Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXVII/Pasal tjadoe atawa boejoet

Ti Wikipabukon
[ 115 ]

Pasal tjadoe atawa boejoet.

1.

Tjadoe dahar laoek moending boele. Oerang deas Banagara, noe asal desa eta, geus prah reja noe boejoet, dahar laoek moending boele. Asal2 na ditrangkeun koe aki Bradja Koesoemah: Praboe Tjadji Malela keurna orok ditinggalkeun di dajeuh, kadatangan moesoeh sedjen, sakabeh djalma, awewe lalaki, boebar pada moeboes. Bawaning goegoep loempat ti lemboer, rasana ngais orok; barang datang ka leuweung, horeng noe diais teh loeloempang. Kira2 meunang 2-3 peuting pada maroelang ka dajeuh; orok geus teu kasampak, dipagarkeun dibawa koe moesoeh. Lawas2 eta orok kapanggih ti leuweung, keur disoesoewan koe moending boele. Ti watĕs harita toeroenan eta nĕpi ka ajeuna tjadoe dahar laoek moending boele, kitoe deui mĕrgasa atawa meuntjit.


2.

Tjadoe ngingoe manoek titiran. Tjarita aki Djamaroen. Oerang desa sadangaja aja noe boejoet tjadoe ngingoe titiran. Asalna bogoh ngala titiran, dipake kasab didjoewalan. Ari pakakasna toeloep. Eta djalma panonna petjak sabeulah. Dina sahidji waktoe ngadodoho manoek titiran dina kai, rek ditoeloep, eta djalma tatanggahhan diisingan manoek titiran. Tai titiran ninggang kana panona noe petjak; eta panon djadi [ 117 ]beunta sarta awas. Ti dinja moelang; datang ka imah ragrag saoer, sakoer anak2 poetoe ti watĕs djeuna oelah rek mĕrgasa titiran.


3.

Tjadoe mĕlak sarta dahar hañdjĕli djeung ĕmbe hideung. Tjarita aki Soerawidjaja. Asal2 na djaman masih dahar hañdjĕli karoehoenna, kaitoeng kaja, ngaleuitan hañdjĕli. Dina sahidji waktoe istrina ka leuit rek njokot hañdjĕli, koe sabab adatna hañdjĕli tea lesang, barang ditintjak hañdjĕlina milĕj djalmana tilĕlĕp, kakoeboer koe hañdjĕli datang ka paeh. Lila teu kapanggih, reh waktoena ka leuit taja noe nganjahowankeun. Gehger leungiteun istri, kapanggih koe ĕmbe hideung ti kolong leuit, diletakan gĕtihna. Barang dioedoelkeun hañdjĕlina ti leuit, beh kapanggih istrina geus paeh. Tidinja ragrag saoer tjadoe dahar hañdjĕli djeung laoek ĕmbe hideung.


4.

Tjadoe dahar laoek loebang. Oerang desa Panjingkiran reja noe tjadoe dahar loebang. Asal2 na baheula karoehoenna dibĕlĕdig moesoeh, kapĕgat koe tjai gĕde, soesah teu bisa meuntas. Teu koengsi lila beh tembong aja tjoekangan sarta gĕde, sa[ 119 ]ruwa jeung tangkal kalapa; seug dipake nyukang ku sarereya.

Keur nyarukang, cukangna tembong, tetela yen lubang gĕde. Barĕng musuh datang ka sisi cai, cukangna teu tembong. Ragrag saur cadu dahar sarta mĕrgasa lubang.


5.

Cadu diarakkeun keur waktu dikariyakeun. Turunan Pasir Panjang, Kabupaten Sukapura. Asal tina karuruhunna ngawinkeun putrana di rame2 sakumaha adat nu ngarendengkeun. Dina powean rendengan eta putrana diarakkeun; nganggo tutunggangan, dihade2 diembrang2. Barĕng keur diidĕrkeun di alun2 tutungganganana disambĕr gĕlap, panganten nu nitihan tutunggangan duwanana babar pisan paeh. Satungtungna ngurus mayit, ibuna kagungan saur, saturun2 anjeunna nu dikariyakeun ulah diarakkeun.


6.

Cadu ngala kĕmbang kananga. Di desa Leuwi-halang aya nu cadu ngala kĕmbang kananga. Asalna karuhunna boga hiji anak lalaki rek disundatan. Geus muguhkeun powe, eta budal nu rek disundatan naek kana tangkal kananga, ragrag babar pisan. Ti dinya indung bapana boga omong saturunan manehna cadu naek kana tangkal kananga. [ 121 ]

7.

Tjadoe boga bokor perak, kĕris saboek intĕn, karembong tjinde, tjongtjot sangoe beureum. Toeroenan Pasir Pandjang bawah Soekapoera; karoehoenna kaitoeng kaja([1]), boga hadjat ngawinkeun sarta toeloej diistrenan noe djadi gĕgĕden dajeuh. Sameuntas istrenan, koempoelan para sĕpoeh2 sakadang-warga sarta pada mawa katoewangan miwah[2] sangoe sapiambĕk2na.[3] Barĕng saderekna panganten noe diistrenan di boeka toempĕngna sangoe beureum, lahiran panganten: Eh! Kakang horeng beureum! Manahna rakana miarsa[4] saoer kitoe, indit narik doehoeng saboek-intĕn , panganten indit deui, barĕng ngalengkah tikaridjĕt koe beulitan tjinde, nintjak bokor perak, tisoledat, gĕdĕbloeg roeboeh, toeloej ditoejoeng koe rakana ditĕwĕk koe kĕris saboek-intĕn, babar pisan paeh. Sameuntas gehger ngoeroes majit, ramana njaoer toeroen tjadoe boga bokor perak satjara sabatoerna tadi.


8.

Tjadoe njeun sarta boga imah panggoeng. Toeroenan desa Tjibodas hilir. Awit ti kijai Toemĕnggoeng Wiranangga; waktoe djadi wakil bapati Tjiamis. Moelih seba ti Mataram, dibahanan koe Soeltan hidji piagĕm angkatan bopati Banagara sarta diwakilan ngadawoehkeun ka para abdi Banagara noedoehkeun noe djadi bopati, gĕbrahkeun piagĕm angkatanana. [ 123 ]Barĕng datang ka boemi panggoeng, piagĕm digĕntos oengĕlna, andjeuña noe djoemĕnĕng boepati. Kalampah geus didawoehkeun, oengeling piagĕm pada miarsa[5] jen andjeuña noe djoemĕnĕng boepati di Banagara. Lila2 piagĕm noe estoe ti Mataram ragrag ka kolong boemi, kapanggih koe noe toogoer; oerang Banagara, ngaran aki Pawindon. Barĕng geus nĕpi ka oesoemna diganti, aki Pawindon balik tina patoegoeran, soerat noe timoe ti kolong dibawa dibikeun ka noe boga, nja noe diangkat Raden Pandji Aria Djajanagara. Bral angkat ka Mataram, dipahatoer[6] ka soeltan tindakna Kjai Toemĕnggoeng Wiranangga, dina waktoe seba pĕpĕkan pra boepati, dipriksa katrangañana katoeran[7] kjai Toemĕnggoeng Wirangga masih palsoe, reh Raden Pandji aria Djajanagara teu katingalieun, sĕbab diboenikeun[8] koe Pangeran Panĕmbahan. Ti dinja Toemenggoeng Wiranangga rek dihoekoem pati, disoehoenkeun keur Boepati Banagara, kapasihkeun.

Sasoempingna ti Mataram Kjai Toemenggoeng Wiranangga ragrag saoer, satoeroenan andjeuña tjadoe kagoengan imah panggoeng.


9.

Tjadoe ngingoe koeda dawoek-bang sarta make apoes kadali kanteh beureum. Asal ti Sang Adipati Pamoekan, boepati Ga[ 125 ]loeh, waktoena dibradjag koe mĕrtoewana[9], Praboe di Moentoer, nitihan koeda dawoek bang, make apoes kadali kanteh beuream. Noe matak dibradjag margi dipitĕnah koe garwa, nami Njai Mas Nataboemi, nja eta poetrana Praboe di Moentoer, noe dipigarwa koe sang Dipati Pamoekan. Ti dinja ramana Praboe di Galoeh Tjipta Pĕrmana kagoengan saoer, tjadoe kagoengan koeda dawoek-bang sarta kadali apoes kanteh beureum.


10.

Tjadoe mĕlak pare beureum, dahar mah hade. Oerang desa Sadanganja aja noe tjadoe mĕlak pare beureum. Asal2na karoehoeña boga anak awewe geulis, kawĕntarkeun ka nagara. Rek disĕlir koe Ratoe, si boedak teu daekeun, dipaksa koe pawarangan.[10] Si boedak loempat ka hoema ditejangan koe indoeng-bapana sarta djeung piwarangan, wĕleh teu kapanggih. Bapana dibawa koe piwarangan dihatoerkeun ka Ratoe, magar moenikeun[11] anakna, toeloej diberok. Saoetjoelna tina siksaan moelang ka lĕmboer, anakna kasampak geus datang, ditanja: Njamoeni[12] ti mana? Omongna: Njamoeni dina pare beureum "ongkoh bapa ge kadeuleu koe kaoela tingkaroreh nejangan didinja! "Bapana ragrag omong: "ajeuna satoeroen2 aing oelah deui mĕlak pare beureum denesi[13] matak diares. [ 127 ]

11.

Boejoet ninoen kasang. Toeroenan Tjibodas, Tjiamis. Asal karoehoeña istri binangkit sangkir ngeujeuk. Dina sahidji waktoe tjarogena angkat djaoeh, arina soemping kasampak istrina keur ninoen kasang. Dina piseureungan aja soerat ngagoler, ditĕrka soerat bobogohan. Teu dipriksa deui, tjarogena kaboeroe napsoe, noe keur ninoen djĕdak ditĕwĕk, habar pisan. Ari geus reureuh napsoe, soerat dibatja, horeng soerat ti andjeuña oengĕl soemono[14]. Ti dinja andjeuña ragrag saoer, satoeroenan oelah rek ninoen kasang.


12.

Tjadoe make tangkal kalapa. Aja hidji djalma ngaran Mastal, imah2 di desa Tjikoneng, tjadoe make tangkal kalapa. Kawit[15] baheulana pakolotañana[16] boga hidji anak lalaki leutik, keur sila di bale, tihang tangkal kalapa eunjeuh, anakna naradjang ka bapana, aja sahidji peso ngagoler keuna ka boedak, katoeblĕs[17] tĕngah leungeuña, babar pisan paeh. Ditoeloengan koe doeloerna, eta doeloerna katjoegak koe haroepat kalapa, babar pisan paeh. Ti dinja bapana ragrag omong, tjadoe boga imah bale ditihangan tangkal kalapa.


13.

Tjadoe noewar tangkal kondang sarta njatoe boewahna. Aja hidji djalma ngaran Karsiah imah2 di Tjikoneng, tjadoe tangkal kondang sarta nĕda boewahna. Kawit lampah pakole[ 129 ] tañana[18] baheula djaman pĕpĕrang moeboes ka leuweung kana doengoes, aja tangkal kondang, njalindoeng kana tangkal kondang gĕde, ditejangan koe brandal teu kapanggih, brandalna leumpang djaoeh tina tangkal kondang. Balik ka imahna, ti dinja ngoempoelkeun batoer2na menta disaksian tjadoe noewar tangkal kondang sarta njatoe boewahna.


14.

Tjadoe njatoe djengkol. Sahidji djalma ngaran Nangga , imah2 di Tjikoneng, tjadoe njatoe djengkol. Kawit lampah pakolotañana baheula boga anak hidji, beuki pisan djengkol, toeloej ngala djengkol di leuweung. Sanggeussing ngala djengkol, di haudapeunnana njatoewan djengkol, gantjangna djengkoleun sampe[19] paeh. Ditejangan koe bapana kapanggih handapeun tangkal djengkol geus paeh, toeloej dibawa ka imahna, balik dioeroeskeun majitna, ti dinja bapana ragrag omong, satoeroen toeroenan manehna tjadoe njatoe djengkol.


15.

Tjadoe njatoe laoek Iele sarta koeloer. Sahidji djalma ngaran Amboe Baros, imah2 di Tjikoneng, tjadoe njatoe Iele sarta boewah koeloer. Kawit lampah pakolotañana baheula djaman pĕpĕrang maroeboes ka leuweung ka noe bala; dina bala aja tangkal koeloer sarta di handapna aja tjaloebakan tjai. Manehna naek kana tangkal koeloer tjitjing dina dahaña di loehoer, diboeroe brandal datang kana tjaloebakan, manggih Iele keur njome. Eta brandal kapĕgat koe laoek, toeloej maroeloengan

  1. Maleiisme; Soend. beunghar.
  2. Javanisme, Soend. djeung, sarĕng.
  3. ld. Soend. sewang2an, sorangan, saoerang saoerangna.
  4. ld. Soend. mireungeu; die zin is bovendien onjuist. Instede van manahna, had hier moeten staan di mana.
  5. Javanisme.
  6. Moet zijn dipihatoer, welligt een schrijffont.
  7. Moet zijn pioendjoekna.
  8. Hier zon men zeggen disoempoetkeun.
  9. Maleiisme. Soend. mitohana = 't Mal. mĕr toha = toewa. In Oud. Soendaasch hestten de hoofden ook wel tohaän = toewan. Zie ook het Javaansche maratoewa.
  10. Hier piwarangan, welligt een schrijffont. Pawarang, eerste vronw van een aanzienlijke. Zoo niet, dan hebhen wij hier nog met hetzelfde pa te doen, dat voorkomt in pagawe, sawahbewerker, en patjalang (ook wel pantjalang), hoodschapper.
  11. Soend. njoempoetkeun
  12. Soend. njoempoet di mana.
  13. Javanisme, dene si. Soend. da, lantaran, Oud Soend. kenana.
  14. Toestandsvorm van sono.
  15. Javanisme; Soend. asalna lantarannana, djalanna.
  16. Hier zou dit beteekenen: zijn ond worden.
  17. Javanisme. Soend. katjoegak.
  18. Hier zegt men karoehoenna. Onder pakokolotanana zou men hier verstaan: zijn oud worden.
  19. Maleiisme. Soend. nĕpi ka of datang ka, Sampe wordt hier wel eens gebruikt voor voldoende, sampe katjida.
[ 131 ]

laoek, geus maroeloegan, toeloej baroedal. Sanggeus boedal brandal, manehna toeroen ka handap balik ka imahna. Ti dinja manehna ragrag omong menta saksi, tjadoe njatoe lele sarta boewah koeloer.


16.

Tjadoe ngokos atawa nĕda hoeloe hajam. Aja hidji djalma ngaran Askiam, imah2 di Tjikoneng, tjadoe njatoe hoeloe hajam. Kawit lampah pakolotañana nikahkeun anakna, datang ti masigit ngarioeng sidĕkah dalahar. Panganten lalaki njoren kĕris bradjol ngarendeng djeung panganten istri, katema ngarendeng koe adina panganten istri; kabeukina hoeloe hajam, geuwat dipinggĕskeun hoeloe hajam teh, pek dikokos sampe[1] boetjat; polo njorot ka soesoe atjeukna panganten istri, toeloej disoesoet koe sikoe adina, geus kitoe panganten lalaki njaboet kĕris toeloej ditĕwĕk keuna ka adina sampe paeh. Ti dinja manehna ngahoelĕng, toeloej bae nĕwĕk maneh, geus ngalondjor tiloe majit. Ti dinja ramana ngalahir menta disaksian, satoeroen2 andjeuña tjadoe ngokos hoeloe-hajam.


17.

Tjadoe paparahoewan. Sahidji djalma Asnawi, imah2 di Tjikoneng, tjadoe toempak prahoe. Kawit lampah pakolotañana, baheula dibawa koe badjo, dibawa ka tĕngah sagara. Bawaning koe teu bĕtah, ti dinja mikir, gantjangna kaloewar tina prahoe, manggih sahidji kai noe dipake djalan minggat sampe handjat ka darat; toeloej gantjang balik ka imah;

  1. Javanisme. Soend. datang ka.
[ 133 ]sadatang balik ka imah, menta disaksian, satoeroen2 kaoela tjadoe paparahoewan.


18.

Tjadoe njandoeng. Sahidji djalma ngaran Raksa Widjaja, koewoe[1] Wanasigra, tjadoe njandoeng. Kawit lampah pakolotañana baheula njandoeng djadi karoeksakan, sarta barang bejak, awak oge teu walagri. Ti dinja dipitjeun, tinggal hidji, karasa kakara slamat, toeloej bae menta disaksian, satoeroen2 manehna tjadoe njandoeng.


19.

Tjadoe make samping barong[2]. Sahidji djalma ngaran Lamdji, imah2 di desa Tjikoneng, tjadoe samping batik barong. Kawit lampah pakolotañana, baheula djaman pĕpĕrang taroeng djeung brandal, kagoebed koe samping barong teu koengsi paeh, bisa keneh hiroep. Geus tjageur kaloewar kasaoeran menta disaksian, watĕs ajeuna tjadoe make samping barong satoeran-toeroenañana.


20.

Boejoet nĕda laoek mĕntjĕk. Sahidji djalma ngaran Bapa Ipoel, imah2 di Tjikoneng, boejoet nĕda laoek mĕntjĕk. Kawit pakolotañana baheula djaman pĕpĕrang moeboes ka leu-

  1. Onder koewoe verstaat men in het Cheribonsche den loerah. Ook in de West van de Preanger is die titel niet onbekend, zooals blijkt uit de plaatsnaam Pakoewon (Pakoewoean). In Bantĕn heeten de loerah's djaro. Zij zijn de stijlen (djaro), die den bamboepagger (kikis), hier den kleinen man, staande honden.
  2. Soort batik. Barong of singah barong = beer. Vergelijk barongan.
[ 135 ]

weung ka nu bala. Diburu ku brandal, ti nu bala bijil hiji mĕncĕk, cek brandal: "Mowal aya jalmaän, denesi aya kidang bijil." Brandal tuluy baralik deui. Ti dinya barijil tina dungus, balik ka imahna, menta disaksian saturunan manehna cadu nĕda lauk mĕncĕk.

__________