Tanggĕransche Volkstaal/Sakadang Monyet jeung Kuya

Ti Wikipabukon
Tanggĕransche Volkstaal
Ki Gandul Ki Marsim jeung Minantuna Ki Moksel Ki Jadul jeung Ki Jasa Peucang jeung Landak Ki Miskin Jadi Ratu Sakadang Monyet jeung Kuya Kabeh


[ 125 ]

Sakadang monjet djeung koeja.


Monjet njaloekan ka koeja, basana: „sakadang koeja, keur naon dia?”

Koeja nembalan: „hoek, teu, keur maling djahe Nji Saridjah”.

Tjek monjet: „menta aing?”

Tjek koeja: „ĕmboeng, dja dia mah sok berek”.

Tjek monjet: „mohal”.

Ladjoe monjet njampeurkeun koeja ka kĕbon djahe pipir imah Nji Saridjah. Njampak koeja keur ngahakan djahe, monjet miloe ngakan; ladaeun matana roendat-rindat bari tjetjerewetan: „seuhah, seuhah”.

Tjek koeja: „oelah gandeng, bisi kadenge koe noe boga”.

Monjet beuki tabĕng bae tjetjerewetanana saking koe lada.

Teu kĕbĕl datang noe boga kĕbon.

Monjet loempat naek kana tatangkalan, djadi teu katewak.

Tinggal koeja sorangan, soesoeroengkoejan, deuk ngaliang teu kaboro, naek teu bisa, toengtoengna katewak. Dibawa ka pawon, dikoeroengan koe bakoel.

Tjek Nji Saridjah ka anakma: „geura noetoe, djaga isoek ngedjo noe gĕde, oerang ngasakan lada koeja”.

Kadenge koe koeja, tjek pikiran koeja, lamoen kieu galagatna mah, aing ieu tangtoe paeh.

Barang magrib monjet njampeurkeun ka koeja.

Ngomong ti loear gĕdeg pawon, tjek monjet: „keur naon, kadang koeja?”

Tjek koeja: „aing mah deuk dikawinkeun djeung anak Niji Saridjah, djaga isoek deuk diarak, dirame-rame; kiwari keur noetoe”. [ 126 ]Tjek monjet: „ah, lamoen kitoe mah, anggoer aing bae”.

Tjek koeja: „ĕmboeng”.

Tjek monjet: „poegoeh dia mah goreng, teu parigĕl djadi panganten, ari aing mah tjakĕp lĕndjang”.

Tjek koeja: „hade geh ari kitoe mah, tapi aing balangkeun heula ka ditoe, ka roejoek noe djaoeh”.

Ladjoe koeja ditjokot koe monjet tina koeroengan; dibalangkeun ka roejoek, monjet ngoeroengan maneh koe bakoel.

Barang wajah isa, Nji Saridjah ngomong ka anakna nitah noöng, koeja bisi leupas.

Ari diboekakeun bakoelna, aja monjet keur tanggĕloek, tjek anak Nji Saridjah: „amboe, koeja mah euweuh, tajohna ngaliang ka djĕro taneuh, aja ogeh monjet ngadoengkoek”.

Tjek Nji Saridjah: „los teuing, monjet ogeh ngeunah diasakan lada, djaga isoek bae peuntjit”.

Tjek pikiran monjet: „lamoen kieu mah, aing dilĕbon koe sakadang koeja, rasakeun dia, sakadang koeja, lamoen aing bisa ka loear, modar dia koe aing”.

Sapeuting monjet teu heës mikiran koemaha akalna soepaja salamĕt.

Ti dinja mĕndak akal, monjet ngĕdĕng nangkarak papaëhanan, matana diroeboeng sireum ateul.

Barang isoek-isoek ditoöng koe noe boga imah, monjet geus nangkarak, tjek anak Nji Saridjah: „amboe, monjet paëh, geus djĕngkĕng, matana diroeboeng sireum ateul”.

Tjek Nji Saridjah: „ari kitoe mah, balangkeun bae ka roejoek”.

Ladjoe dibalangkeun; barang dibalangkeun, monjet ngĕdjat naek kana tangkal kajoe bari soesoerakan, tjek monjet: „manoesa beunang dibobodo”.

Tjek Nji Saridjah: „pĕrtjaja dia monjet, moen katewak sabalen deui, dia dipeuntjit”.

Ti dinja monjet njiar sakadang koeja panasaran hajang malĕs.

Monjet tjatjarawakan sapandjang-pandjang hoema njĕloekan: „sakadang koeja”. [ 127 ]Koe koeja ditembalan; tjek koeja: „hoek.”

Tjek monjet: „keur naon, sakadang koeja.”

Djawab koeja: „keur mĕlak tjaoe.”

Tjek monjet: „aing iloe.”

Tjek koeja: „hade.”

Ti dinja koeja djeung monjet pada mĕlak tjaoe moeli. Ari koeja mah mĕlak tangkalna, tapi ari monjet mĕlak djantoengna, padjar maneh pangtereh ka ala boeahna.

Wantoening djantoeng tambah poë beuki peot, datang ka garing, ari pĕlak koeja mah, beuki montok bae nĕpi ka boeahan.

Tjek monjet: „kadang koeja, tjaoe aing mah beuki joejoek bae.”

Tjek koeja: „masa bodo.”

Katjaritakeun, tjaoe koeja geus asak di tangkal, tjek monjet: „hajoe, oerang oendoeh.”

Tjek koeja: „hajoe.”

Tjek monjet: „aing noe naek dja dia mah teu bisa naek.”

Tjek koeja: „hade, ieu tjajoet tjangklek geusan wadah tjaoe.”

Eta tjajoet djoeboerna koe koeja dibolongan, djadi boeah tjaoena kabeh molos ragragan ka handap, seubeuheun koeja ngakanan tjaoe.

Ari tjek pikiran monjet: „di mana tjajoetna geus pinoeh, deuk dibawa ngĕdjat naek kana tatangkalan.” Bĕt sih, barang diïlikan, tjajoetna kosong.

Monjet poporosod toeroen maraheun ka koeja hanteu kabagian tjaoe sahidji-hidji atjan, tapi barang datang ka handap, tjaoena geus beak, koejana teu aja. Ditjaloekan koe monjet, horeng koeja mah geus ngaliang ka djĕro taneuh.

Tjek monjet: „ati-ati, moen kapĕndak sakali deui, koe aing dipaehan.”

Hidji mangsa, koeja keur ngagapoej handapeun tangkal tjamara; dina dahan eta tjamara aja imah tawoean ngagajot sagĕde boboko. [ 128 ]Tjek monjet: „dja ieu kadang koeja, ati-ati dia, bareto boga dosa ka aing.”

Tjek koeja: „oelah berek, ning keur titah noenggoean goöngna ki Batara Goeroe, itoe ngagajot dina dahan tjamara.”

Tjek monjet: „tjoba koe aing deuk ditabeuh.”

Tjek koeja: „oelah, bisi aing ditjarekan. Lamoen koe dia deuk ditabeuh, aing heula balangkeun ka leuwi.”

Ti dinja, koeja dibalangkeun ka leuwi.

Ladjoe imah tawoean koe monjet ditakol koe batoe, datang ka rĕmoek imah tawoean mana paboerial moeoek njeureudan kana salĕga awak monjet.

Monjet adoeg ladjĕr djoedjoengkĕlan goegoelingan bari tjetjerewetan njĕrieun diseureud tawoean awakna bareuh.

Monjet teu kira-kira maraheunana ka koeja.

Tjek monjet: „moen kapanggih sakali ieu, tangtoe koeja modar.”

Dina hidji mangsa koeja keur njoeling dina handapeun tangkal loa; sorana ngeunaheun teu kira-kira, ari lagoena tjara dongeng.

Kieu soelingna:

„taleotoeng, taleotoeng,
taleoting toelang maoeng,
ditjoktjokan koe tjaladi,
diliangan koe bangbara,
dipasieup koe sireupeun,
heothioeng, heothioeng.”

Kadenge koe monjet wani dengdek-dengdek bawaning ngeunaheun,

Tjek monjet: „aing ngindjeum.”

Tjek koeja: „ĕmboeng, bisi dibawa loempat.”

Tjek monjet: „moen teu pĕrtjaja mah, tjĕkĕlan boentoet aing.”

Ti dinja soelingna koe koeja dibikeun, boentoetna ditjĕkĕlan. Tapi monjet mah hanteu bisa njoeling tjara koeja, kabisana ngan totet, totet bae. [ 129 ]Monjet mintĕran ngakoe njĕri boentoet oelah ditjĕkĕlan pageuh.

Barang dikĕndoran, monjet loempat naek kana tangkal kajoe bari njoeling: totet, totet.

Ti dinja koeja tjeurik.

Koeja menta toeloeng ka keujeup pangnjokotkeon soelingna.

Tjek koeja: „lamoen beunang, ĕngke kadang keujeup dioepahan kĕbo sakandang”.

Koe keujeup disanggoepan.

Ti dinja keujeup lalaoenan ngarajap naek kana tangkal. Koe monjet teu kadeuleu. Monjet ditjapit kontolna koe keujeup djodjolotoan[1] nĕpi ka soelingna ragrag ka handap.

Ladjoe ditjokot koe koeja.

Keujeup dioepah kĕbo sakandang.

Barang kĕbona ditoengtoen koe keujeup, keujeup katintjak tonggongna koe kĕbo datang ka kĕntob.

Noe mantak ajeuna dina tonggong keujeup aja lĕgok diga tapak soekoe kĕbo.



  1. Met rukken trekken (eigenlijk stuiptrekken).