Tanggĕransche Volkstaal

Ti Wikipabukon
Tanggĕransche Volkstaal
Ki Gandul Ki Marsim jeung Minantuna Ki Moksel Ki Jadul jeung Ki Jasa Peucang jeung Landak Ki Miskin Jadi Ratu Sakadang Monyet jeung Kuya Kabeh


[ 1 ]

TANGGĔRANSCHE VOLKSTAAL.

DOOR

C. M. PLEYTE.

__________

[ 2 ]

1. Ki Gandoel.

Djaman baheula aja hidji djĕlĕma, ngaranna Ki Gandoel; boga anak toedjoeh: gĕnĕp awewe, hidji lalaki.

Hidji mangsa pamadjikanana Ki Gandoel ngomel bae; beurang reudjeung peuting ngomelanana ka Ki Gandoel: "anak bae toedjoeh teu bisa maraban teu bisa makean, geusan naon anak loba-loba".

Kadjengkelan, Ki Gandoel eta anak dibawa kabeh leumpang saleumpang-leumpangna, njatoe isoek hanteu sore.

Manggih hidji leuweung gĕde, asoep ka djĕro eta leuweung, ngabakanan dangdaoenan.

Hidji mangsa katjapean eureun di handapeun tangkal kajoe gĕde.

Geus eureun tjape, leumpang deui.

Manggih hidji soemoer paeh, diragragkeun anakna kabeh satoedjoeh-toedjoehna, ditoeroeban koe kikiping padati.

Geus kitoe, ditinggalkeun anakna, poelang koe bapana.

Datang ka imah, ditanja koe pamadjikanana, Nji Gandoel, pokna: "mana eta baroedak?"

Ngadjawab eta Ki Gandoel: "teu daekeun poelang, eta baroedak keur aroelin di leuweung".

Dikira heubeul opat lima poe, eta boedak anoe lalaki ngadenge doeloerna noe gĕnĕp njĕboet lamoen lapar.

Ladjoe ieu doeloer anoe lalaki koerah-koreh di djĕro soemoer, meunang remeh sahidji.

Geus dibawa ka doeloerna, tjarek doeloerna noe lalaki: [ 3 ]"ieu remeh oelah dihakan, diteureuj; pada ngalamotan bae silih gĕnti".

Ari kĕbĕlna ngalamotan eta remeh meunang opat lima taoen, salĕgĕr kabehanana; panganggeusanana diteureuj koe noe lalaki.

Sanggeusna noe lalaki neureuj eta remeh, gagah parakosa.

Ladjoe injana njieun tangga.

Sanggeus eta tangga, ladjoe naek ka loehoer.

Datang ka loehoer, ngaboekakeun eta kikiping padati, anoe dipake noetoepan eta soemoer.

Geus taboeka koe doeloerna noe lalaki, ladjoe anoe awewe gĕnĕp tea nararaek kabeh.

Datang ka loehoer, katjapean eureun di handapeun tangkal kiara gĕde.

Ngomong djeung doeloerna di dinja noe toedjoehan tea: "oerang sih di dieu, koemaha ajeuna, deuk poelang ka mana?"

Didjawab koe doeloerna noe lalaki: "moal bisa leumpang ka mana-mana tina sabab di djero leuweung, geus teu njaho kaler kidoel".

"Pangpoelangna ogeh oerang ka imah, ĕma-bapa ogeh moal njahoeun ka oerang tina sabab ajeuna geus galĕde".

"Anggoeran oerang mah tĕtĕp-tĕtĕp bae di dieu; koedoe makekeun ati sabar, soegan bae aja pĕrtoeloengan ti Alloh".

Katjarita aja hidji radja gadoeh poetra ngan hidji-hidjina awewe.

Dikira boelan Moeloed, tanggal 14, Djoemahat, eta poetra radja ngimpi; ngimpina kadatangan hidji aki-aki, hidji nini-nini.

Ari pokna teh, meunang impianana nji poetri teh: "lamoen deuk dikawinkeun, moedoe menta ka noe boga doeloer gĕnĕp awewe, hidji lalaki; lamoen teu meunangkeun eta, alamatna, nji poetri teh, soesah. Leuih hade isoek-isoek mere njaho ka iboe, ka rama, lamoen meunang impian kitoe". [ 4 ]Sanggeusna ngimpi, poetri oendjoekan ka iboe-ramana sakoemaha tjarekna impian tea.

Geus kitoe, radja soesah; di numa aja anoe doeloerna toedjoeh sapĕrti impian eta nji poetri?

Ladjoe radja mĕsĕn ka oenggal nagara, lamoen aja anoe boga anak toedjoeh, bawa ka dieu.

Geus kitoe, teu aja anoe bisa meunangkeun, da teu aja di djĕro nagara.

Memang, eta radja geus sĕpoeh, kadjengkelan ngadenge poetri sasaoeranana kitoe.

Ladjoe radja mawa bĕdil ka hidji leuweung gĕde.

Barang keur bĕbĕdil, kapĕndak djeung boedak anoe toedjoeh tea keur paririoeng.

Disampeurkeun koe radja, pokna radja teh nanja: "keur nararaon, baroedak?"

Eta boedak ngadjawab: "keur oelin bae".

"Anak saha sia teh?" tjek radja.

"Koela teh anakna Ki Gandoel," tjek boedak.

Tjek radja: "aja keneh ĕma-bapa sia?"

Tjarek boedak: "tjan poegoeh aja djeung euweuh, tina sabab koela mah geus heubeul kabalangsak di ieu leuweung".

Tjek radja: "koemaha, lamoen maraneh diadjak ka imah koe aing, daek atawa hanteu?"

Tjek boedak: "daek".

Toeloej dibawa poelang koe radja.

Datang ka imah radja, dipakean koe radja sakabeh eta baroedak.

Sanggeusna dipakean, ditendjo koe radja djeung nji radja beurang peuting.

"Ieu boedak teh araloes, geuning," pokna radja.

Ingĕt ka impian anak, ngomong ka nji radja: hajang njaho, tanja eta poetri, lamoen dikawinkeun ka ieu boedak noe meunang moeloeng, daek ta hanteu? Lamoen daekeun, kawinkeun bae". [ 5 ]Tjek nji radja: "poegoeh bae koela mah ngan noeroet", nja ditjaloekan poetri tea.

Barang dititah nendjo eta poetri ka eta boedak beunang nimoe tea, ladjoe bogoheun bae eta poetri teh.

Ditanja koe radja eta poetri: "daek dikawinkeun ka eta boedak?"

Tjarek nji poetri teh: "poegoeli bae daek mah tina sabab geus meunang impian tea".

Ti dinja toeloej dikawinkeun.

Sanggeusna dikawinkeun, dipasrahkeun eta karadjaän teh ka minantoe, tina sabab radja mah geus kolot.

Geus ajeuna mah minantoena kawasa djadi radja, ladjoe minantoe ngatoer ka ponggawa-ponggawana dititah njiar ngaran Ki Gandoel, lamoen aja, soepaja ditangkĕp bawa ka dieu.

Hidji mangsa kapanggih koe hidji mantri: ditalian, dibawa ka radja.

Datang ka radja, ditanja: "saha ngaran, aki?"

Djawab aki-aki teh: "ngaran koela teh Ki Gandoel".

Tjek radja: "naon, Ki Gandoel teh, boga anak atawa hanteu?"

Tjek Ki Gandoel: "beu, toean radja, dja koela mah boro moen anak teu boga naon-naon sakali".

Tjek radja: "naha sabĕnĕr-bĕnĕrna, Ki Gandoel teh, teu boga anak?"

Tjek Ki Gandoel: "hanteu".

Tjek radja: "aki teh, oelah sok ngabohong sabab koela manggih boedak toedjoehan di djĕro leuweung".

Ditanja eta boedak, pokna: "anak Ki Gandoel".

Tjek Ki Gandoel: "menta ampoen bae, toean radja, koela mah oelah dikoemaha-koemahakeun?"

Tjek radja: "moal".

"Lamoen kapanggih ajeuna djeung anak, katĕngĕt atawa hanteu?"

Djawab Ki Gandoel: "tjan poegoeh, da geus heubeul". [ 6 ]Laju ku raja dititah ka luar dulurna anu gĕnĕp awewe tea.

Barang ka luar, teu katahan awewe ieuh ñeueung ĕma-bapa, tuluy gabrug bae ditubruk ku nu gĕnĕp anakna, careurik.

Kaget Ki Gandul jeung pamajikanana. Ñi Gandul, ditubruk ku gĕnĕp anak awewe tea.

Cek raja: "Ulah careurik di diña, leuih hade ajak ka jĕro."

Ki Gandul teh teu daekeun tina sabab ka imah raja tea.

Carek raja: "Ulah sieun ña ieu anak ĕma jeung bapa teh, anu diragragkeun ka jĕro sumur tea."

Ti diña Ki Gandul jeung ewena atoh sarta sĕnang; jeung dimumule ku anakna. [ 10 ]

Ki Marsim jeung Minantuna

Jaman baheula aya hiji jalma ngaranna Ki Marsim. [ 11 ]Pagaweanana tani, boga kĕbo dua puluh, sapetak kĕbon cabe. Boga anak hiji awewe.

Dina hiji mangsa ngomong ka pamajikanana: "Hayang boga minantu santri."

Ti diña manehna leumpang ka hiji kiai, ña ku kiai dibere hiji santri arek dipulung minantu.

Eta santri teu boga indung-bapa.

Eta santri daek dipulung minantu, tapi manehna talek ka bakal mitoha.

Lalakina ditaña koe bakal mitohana: "Talekna kumaha?"

"Talekna, bapa ulah marah, lamun marah, bapa ku kula dijual."

Ditarima ku bakal mitohana, lalakina talek kitu, tapi bakal mitohana talek deui.

Cek bakal minantuna: "Kade, ku kula ditrima; bapa rek talek: talekna kumaha, bapa?"

Cek bakal mitohana: "Minantu ogeh, lamun diparentah ku bapa, ulah marah; minantu, lamun marah, ku bapa ogeh dijual."

"Hade, ayeuna dikawinkeun."

Sanggeusna dikawinkeun, minantuna hanteu dibere reujeung jeung ewena, dititah hees di kandang kĕbo mani isuk.

Isuk-isuk ditaña ku mitohana, pokna: "Kĕbo teh aya kabeh; aya sabaraha siki?"

Cek minantuna: "Aya dua puluh siki."

Cek mitohana: "Kumaha, teu loba reungit?"

Cek minantuna: "Loba, bapa."

Cek mitohana: "Naon, minantu teu marah?"

Jawabna: "Ah, hanteu."

Tuluy eta kĕbo titah diangon ku minantuna.

Barang diangon di bubulak, kapanggih jeung tangkulak; dijual ku minantuna eta kĕbo sapuluh.

Sorena balik ngandangkeun eta kĕbo; bebeja ka mitohana eta kĕbo geus dikandangkeun, ku mitohana ditaña, pokna: "Aya kabeh eta kĕbo?" [ 12 ]Ngajawab minantuna: "Kĕbo dijual sapuluh siki ka tangkulak."

Ditaña ku mitohana: "Mana duitna?"

Ngajawab minantuna, pokna: "Duit beak, dipake bobogohan. Naon, bapa marah?"

Ngajawab mitohana: "Hanteu."

Geus kitu, peutingna titah meuting deui di kandang kĕbo.

Isuk-isuk ditaña deui ku mitohana, pokna: "Geunaheun sare di kandang kĕbo?"

Ngajawab minantuna: "Teu ngeunaheun, da loba reungit."

Cek mitohana: "Naon, minantu marah?"

Jawabna: "Ah, hanteu."

Tuluy eta kĕbo dititah diangon deui.

Barang diangon, wañci lohor datang deui tangkulak. Eta kĕbo dijual deui kabeh, tuluy balik.

Ditaña ku mitohana, pokna: "Ku naon balik beurang-beurang?"

Ngajawab minantuna: "Kĕbo dijual deui kabeh."

Cek mitohana: "Mana duitna?"

Cek minantuna: "Dipake beak."

Cek mitohana: "Pake naon?"

Cek minantuna: "Pake bobogohan. Naon, bapa marah?"

Cek mitohana: "Ah, hanteu marah."

"Ayeuna, minantu, kĕbo geus beak, ayeuna jaga di kĕbon cabe, mawa karung sĕmbari ngala cabe jualeun ka pasar."

Ingĕtanana minantu ti barang mĕntas kawin, ĕñcan ñorang papanggih jeung pamajikan.

Ari ĕnggeus ingĕtanana kitu, minantuna ngala cabe.

Biasaua eta cabe sokan diteundeun di jĕro pangkeng.

Mitohana can deuk datang, asup ka jĕro karung minantuna; laju nuruban maneh ku cabe sabakul.

Barang sore ditoöng ku mitohana, euweuh minantu di kĕbon cabe.

Mitohana ngomel ka minantuna: "Lamun aya, ku aing dijual minantu kurang ajar." [ 13 ]Minantu cicing bae di jĕro karung.

Laju ditalian karungna, dititah bawa pulang eta cabe dina karung. Digotong ku bujangna duaan; diteundeun di jĕro pangkeng anakna.

Barang hiji mangsa peuting, bapana ĕmana heës ari anakna, teu bisa heës, mikiran salakina euweuh.

Geus kitu, ngagĕrokeun ti jĕro karung ka pamajikanana.

Cek pamajikanana: "Saha, nu gĕgĕroan?"

Jawab salakina: "Ulah gandeng, bisi kadenge ku bapa; bukakeun ieu karung."

Barang dibuka ku ewena salakina.

Barang isuk, dikira pukul opat, hudang.

Cek salakina: "Ieu cabe eudeuk dibawa ka pasar, lamun bapa nañakeun, bejakeun mun cabe dibawa ka pasar."

Isukna dibejakeun ka bapana satitahan salakina.

Cek bapana: "Ari kitu, di mana salaki sia, manan isuk-isuk geus mawa cabe?"

Jawab anakna: "Ja keur peuting aya di jĕro karung cabe."

Cek bapana: "Ari geus, koemaha kañahoanana?"

Cek anakna: "Ngagĕrokeun ka kula."

Cek bapana: "Geus dibukakeun di jĕro karung, di mana heësna?"

Ngajawab anakna: "Jeung kula reujeung."

Teu kĕbĕl pulang minantuna ti pasar mĕntas ngajual cabe.

Ditaña ku mitohana: "Mana duitna?"

Jawabna: "Beak, dipake kabeh, pake bobogoban. Naon, bapa marah?"

Ngajawab bapana: "Hanteu, teu marah."

Cek minantuna: "Lamun marah, dijual ku kula."

Cek bapana: "Ayeuna mah meuting di pangkeng jeung pamajikan sia. Isukan, isuk-isuk, mawa karung deui ka kĕbon cabe, geusan jualeun ka pasar ngala cabe." [ 14 ]Ingĕtanana mitohana rek nurutan tingkah-laku minantuna.

Minantuna can rek hudang, mitohana miheulaän mawa karung ka kĕbon cabe, ngala cabe.

Meunang sabakul, mitohana asup ka jĕro karung nuruban maneh ku cabe sabakul.

Minantuna ñusul ka kĕbon cabe, mitohana euweuh, ngomel minantuna di kĕbon cabe.

Da ñahoeun minantuna mah, mitohana aya di jĕro karung da diïntip, ku minantuna tuluy ditalian eta karung.

Ñalukan tukang gorobag, titah dipuatkeun ka gorobag.

Barang dipuatkeun, cena: "Beurat amat ieu si cabe."

Mitohana cicing bae.

Dibalangkeun bae ka gorobag, eta cabe sorana kek bae.

Deus kitu, minantuna naek ka gorobag, didiukan eta karung.

Tĕrus dibawa balik.

Barang datang ka imah, ti luhur gorobag diturunkeun; dibantingkeun bae nurunkeunana, mani sorana kek bae ngabanting.

Isuk-isuk dibawa ku minantuna ka pasar, eta cabe laju ku minantuna digulingkeun bae ka cai, dikumbah, dibañjuran ku tudung cĕtok.

Geus kitu minantuna ngomong sorangan bae, pokna: ieu si cabe mantas dikumbah, beurat amat; leuih hade dipiceun bae ka cai."

Geus kitu, mitohana ngadenge rek dipiceun ka cai, ngagĕrokeun mitohana ti jĕro karung: "Minantu, bapa di jĕro karung."

Tuluy dibuka ku minantuna.

"Atuh ku naon, bapa aya di jĕro karung?"

Cek mitohana: "Aing ngala cabe kapanasan, matak aing aya di jĕro karung."

"Geus bapa teu marah?" cek minantuna.

Ngajawab mitohana: "Teu." [ 15 ]"Lamun marah ku kula dijual."

"Geus ieu cabe teu laku da geus layu, piceun bae ka cai, da teu aya nu daek meuli."

Tuluy balik jeung minantuna.

Barang peuting ngomong mitohana ka minantu: "Hek, ayeuna aing geus beak, dijual kabeh ku minantu, ayeuna heës bae, geus isukan, urang ngaramat ka hiji tangkal kayu gĕde, kayu caringin, menta-menta ka kai buyut, hayang pulang deui eta kĕbo anu dua puluh."

Barang isukna, mitohana can rek hudang, minantuna dangdan, leuih heula leumpang ka tangkal kayu gĕde, naek ka luhur tangkal kayu caringin.

Datang ka luhur minantuna muka pakean merong maneh ñekot di luhur.

Teu lila datang mitohana menta-menta ka kai buyut.

"Asalamu alaikum, kai buyut."

Minantuna ngajawab ti luhur: "Alaikum salam, rek hajat naon ka dieu?"

"Kula hajatna, rek menta ka kai buyut, kĕbo kula nu dijual tea ku minantu, hayang datang deui?"

Ngajawab ti luhur: "Hade, balik bae, ĕngke ogeh, eta kĕbo nu dijual ku minantu, datang deui."

Laju pulang.

Barang geus pulang, minantuna geus turun balik.

Barang datang ka imahna, ditaña ku mitohana: "Minantu tas ti mana; disiaran euweuh, rek diajak ngaramat."

Minantuna teu jawab.

Geus kitu, mitohana ngadenge beja, lamun minantuna anu nembalan ti luhur tangkal kayu gĕde.

Geus kitu, ingĕtan mitohana rek nurutan tingkah-laku minantuna, ka manehna lemek: "Isukan ulah ka mana-mana, urang ngaramat deui."

Carek minantuna: "Heuëuh."

Barang isuk-isuk, minantuna can rek hudang.

Leumpang ti heula, mitohana talatah di imah: "Lamun minantu hudang, titah ñusul ngaramat ka tangkal kayu gĕde." [ 16 ]Datang ka ditu, mitohana naek ka luhur tangkal kayu caringin.

Datang ka luhur, mitohana muka pakean merong maneh, ñekot di luhur.

Datang minantuna menta-menta ka kai buyut: "Kĕbo anu dijual ku kula, kĕbo mitoha anu dua puluh, hayang datang deui?"

Ngajawab ti luhur: "Hade, ayeuna pulang bae, ĕngke ogeh, kĕbo datang deui."

Cek minantuna: "Tapi kula panasaran; lamun bĕnĕr mujur ieu kai buyut, ku kula deuk dipanah."

Ngadenge rek dipanah ku minantu, eta mitohana isakeng-asekeng bae. Sieun dipanah ku minantu: "Keuna pĕlerna!" ngagĕro; laju turun.

Barang turun ditaña ku minantuna: "Ku naon bapa, mapan aya di luhur tangkal gĕde, can ku kula dipanah. Naon, bapa marah?"

Jawabna: "Marah ayeuna, ewa boga minantu kitu, sih."

"Mara? Teu ingĕt ka talek? Mun marah ku kula dijual."

Mitohana teu ngajawab.

Tuluy bae baralik. [ 23 ]

3. Ki Moksel.

Djaman baheula aja hidji djalma mararat, ngaranna Bapa Moksel, djeung pamadjikanana Amboe Moksel; katjida teu bogana nĕpi njatoe sore hĕnteu isoek.

Hidji mangsa Pa Moksel leumpang ka pasar.

Datang ka pasar, papanggih djeung hidji Tjina keur moëkeun bibit waloeh.

Tjina nanja ka Pa Moksel: „aih, Moksel, loe maoe pigi ka mana?”

Djawab Pa Moksel: „tida, Bah, maoe djalan-djalan hadja, kĕpengen mĕlantjong ka pasar.”

Tjek Tjina: „Moksel, apa loe kaga ada pĕkĕrdjaän di roemah; kapan kaga ada kĕrdja, lĕbih bai tanĕm ini waloeh di kĕbon atawa di hoema. Kaloe maoe, nanti goeah kasi ini bibit”.

Djawab Pa Moksel: „bai, Bah, trima kasi, kaloe Bah soeka kasi itoe bibit, nanti saja maoe tanĕm di kebon”.

Geus kitoe, toeloej Pa Moksel dibere saraoe siki waloeh, dititah, dipĕlakkeun.

Ti dinja, toeloej Pa Moksel balik mawa bibit waloeh.

Ana datang ka imahna, tjarita ka ewena moen dibere waloeh koe Tjina.

Ewena atoheun bari toeloej arindit ka boeboelak rek mĕlakkeun bibit waloeh tea. Prak dipĕlakkeun sakalian.

Sasalsena mĕntas mĕlak waloeh, toeloej poelang.

Barang geus opat poeloeh poë diteang eta waloeh: geus baroeahan sarta galĕde.

Dina hidji poë Pa Moksel djeung ewena leumpang ka kĕbon waloeh, mawa karandjang. Prak waloeh teh diala meunang sapikoelan.

Amboe Moksel nanja ka Pa Moksel, tjekna: „uih. Bapa Moksel, ieu waloeh rek dibawa ka mana?”

Pa Moksel ngadjawab: „rek dibawa ka pasar, Iamoen aja anoe meuli rek didjoeal, Iamoen aja anoe menta rek dibikeun”, bari toeloej manehna indit nanggoeng waloeh rek ka pasar. [ 24 ]Barang nĕpi ka satĕngah dalan, papanggih djeung hidji tangkoelak; nanja ka Pa Moksel, pokna: „nanggoeng naon eta?”

Tjek Pa Moksel: „mawa waloeh, rek dibawa ka pasar”.

Tjek tangkoelak: „koe dewek bae dibeuli saperak”.

Koe Pa Moksel toeloej bae dibikeun sabab pikirna: soemawonna dibeuli, nadjan dipenta ogeh, rek dibikeun bae.

Geus kitoe, ditampa doeitna noe saroepia; waloehna disĕrahkeun ka noe meuli.

Toeloej manehna balik, tapi teu djalan deui kuna oeroet tadi, motong djalan ka boeboelak.

Barang datang ka boeboelak, Pa Moksel nendjo boedak angon toedjoehan marawa toengkĕt djeung batoe keur ngaroedag-oedag oraj.

Pa Moksel gantjang njampeurkeun bari njarek neunggeulan oraj, pokna: „eh, baroedak, eta oraj oelah dipaehan koe dia, ning kasihan djasa”

Toedjoeh baroedak pagon, maksa rek maehan oraj, koe Pa Moksel toeloej baroedak teh dibagi doeit noe saperak ladang waloeh tea, soepaja eta oraj teu toeloes dipaehan.

Baroedak toeloej arindit ngarangon deui kĕbona; teu toeloes maraehanana oraj. Dĕmi Pa Moksel tĕroes balik.

Ana datang ku imahna, njarita ka Amboe Moksel moen meunang doeit saperak ladang waloeh. „Tapi” pokna, „dibikeun ka baroedek angon dipake oepahan soepaja teu nareunggeulan oraj”.

Djawab Amboe Moksel: „alhamdoelillah, noehoen, asal oraj teu toeloes dipaehan, koela geh watir”.

Katjarita barang nĕpi kana waktoe magrib, Pa Moksel djeung pamadjikanana sĕmbahjang.

Sanggeusna sĕmbahjang, di loear kadenge aja noe mamaäpan.

Ana ditendjo koe manehna, bĕt aja oraj njangheuj di toengtoeng golodog.

Ditanja koe Pa Moksel, pokna: „aih, oraj, dia arek ka mana bĕt aja di tangga imah kami?” [ 25 ]Oraj ngadjawab: „noe matak koela datang ka dieu, rek malĕs tarima kasih ka sampean, tapi teu mawa naon-naon. Ngan pamenta koela, ajeuna, Pa Moksel, koedoe miloe ka koela djeung Ma Moksel oelah marah ka koela pedah Pa Moksel dibawa”.

Ti dinja Pa Moksel seg dangdan. Toeloej leumpang noeroetkeun oraj bari njĕkĕIan kana boentoetna.

Asoep leuweung ka loear leuweung, tapi koe pangawasana oraj, Pa Moksel teu teurak koe tjoetjoek-tjoetjoek atjan.

Bras nĕpi ka sisi hoetan, oraj nanja ka Pa Moksel, pokna: „koemaha, ajeuna koela arek toeroen ka laoet, naha sampean rek miloe ta hĕnteu?”

Djawab Pa Moksel: „rek miloe bae, sanadjan ka mana-mana ogeh, koela mah rek noetourkeun”.

Geus kitoe, toeloej Pa Moksel dibawa teuleum koe oraj ka djĕro Iaoet.

Ana datang ka dasar Iaoet, beh manggih nagara agreng katjida, ari radjana eangna oraj tea.

Oraj njarita ka eangna, moen manehna geus ditoeloengan koe Pa Moksel tina balaina, datang ka bisa hiroep waloeja.

Djeung deui: „noe matak dibantoen ka pajoeneun eang, koering hajang moelang tarima ka manehna”.

Ti dinja Po Moksel koe eangna oraj dibere hidji djimat paranti dagang.

Sanggeusna toeloej balik; ingĕt-ingĕt, geus di daratan.

Barang datang ka imahna, pruk njarita ka pamadjikanana moen dipaparin djimat koe eang oraj paranti dagang.

Pamadjikanana miloe atoh kabina-bina, pikirna, soegan bae eta djimat aja hasiatna.

Barang dina hidji mangsa Pa Moksel njaba ka Batawi, dĕmi djimatna disĕlapkeun lebah boedjalna.

Ana datang ka Batawi, kapanggih koe hidji toean toko. Tĕroes ditanja koe eta toean toko ngomong malajoe: „he, man, kwe maoe ka mawa, lagi apa di sini?”

Djawabna: „kaga toean, saja maoe malantjong hadja, tjoeman barangkali aja pakoelian”. [ 26 ]Toean toko nanja deui: „apa kwe bisa dagang of tida. Kapan bisa, nanti goea kasi modal”.

Djawabna Pa Moksel: „bĕlon tĕntoe, toean. Kapan toean pĕrtjaja, boleh tjoba-tjoba hadja. Apa jang saja misti dagangin?”

Toean toko seuri bari pokna: „eh, roepa-roepa barang dong; apa jang kwe soeka djoeal, boleh bawa dari sini, nanti goea kasi apa jang ada”.

Gantjangna, prak bae koe toean toko dibere barang-barang dagangan lima ratoes perakeun, dititah didjoeal.

Pa Moksel toeloej indit balik.

Barang nĕpi ka satĕngah djalan, papanggih djeung hidji soedagar.

Toeloej nanja ka Pa Moksel, pokna: „maneh mawa barang ti mana, saha noe boga, djoealeun ta lain?”

Pa Moksel ngadjawab: „ieu barang bogana toean toko, dititah didjoeal koe koela; koedoe lakoe lima ratoes perak”.

Soedagar hĕnteu pĕrtjajaeun, eta barang dihargaän sakitoe, sabab katjida araloesna djeung lobana. Lamoen didjoeal keteng, kira-kira doea rewoeun, sakoerang-koerangna lima-blas ratoeseun perak.

Tjek soedagar: „ajeuna kieu: da maneh koedoe boga bati, ieu barang dibeuli bae koe koela sarewoe perak”.

Koe Pa Moksel dibikeun, troes dibajar koe soedagar sarewoe perak, teu koerang sapeser. Barangna ditrima.

Ana geus narima doeit, poerat-perot Pa Moksel balik deui ka toean toko, seng njarita, moen barangan geus didjoeal sarewoe roepia ka soedagar. Sok dipasrahkeun ka toean toko.

Ari koe toean toko doeit noe sarewoe teh ngan ditarima lima ratoes roepia, dĕmi noe lima ratoes deui, dibikeun ka Bapa Moksel itoeng-itoeng batina djeung pamĕrĕsen.

Sok deui dibere barang-barang djoealeun, harga sarewoe roepiaeun; sina didjoeal deui koe Pa Moksel.

Pa Moksel toeloej balik ka imahna bari mawa barang dagangan. [ 27 ]Barang nĕpi ka imahna, njarita ka pamadjikanana sakoemaha noe geus dilampahkean koe manehna sarta nembongkeun doeit lima ratoes roepia pamere toean toko tea.

Ma Moksel soeka katjida atoh doemeh salakina meunang doeit gĕde djeung dibere dagang rosa koe toean toko.

Ti waktoe harita Pa Moksel toeloej moeka warueng sorangan di lĕmboerna, dĕmi modalna nja djadi ngalanggan djeung toean toko di Batawi. Sagala barang-barang pamentana Pa Moksel diberean; dagangna Iakoe katjida.

Lila-lila, katjarita, nangkoda datangna ku waroengna Pa Moksel karĕpna arek balandja pidaganganeun.

Sabot keur balandja, nangkoda nanja ka Pa Moksel, pokna: „koemaha djalanna noe matak sampean bisa moeka waroeng sakieu gĕdena, barang-barang mani eujeub djeung araloes, toeroeg-toeroeg lakoe katjida. Naha, sampean boga naon djimatna?”

Pa Moksel toeloej njarita satĕroes-tĕrungna ka nangkoda moen manehna boga djimat dagang paparin ti eang oraj; tĕroes ditembongkeun djimatna ka nangkoda.

Nangkoda pĕrtjajaeun pisan ka Pa Moksel, toeloej bae ngadjak baseroe modal sarta bĕrsobat.

Koe Pa Moksel ditarima sakoemaha pikarĕpeunana nangkoda di rĕmpoegan; geus badami nangkoda toeloej balik.

Gantjangna, Pa Moksel djeung nangkoda geus prak baseroe modal, dĕmi nangkoda dagangna ka laoet ngadjoeal barang ka oerang kapal, ari Pa Moksel tĕtĕp dagang di waroeng sorangan.

Sanggeusna Pa Moksel moeka waroeng sarta beunghar, pamadjikanana aja kahajang, menta dipangneangkeun oetjing djeung andjing ingoeëun. Pokna: „hajang boga andjing hidji, oetjing hidji keur tjotjoöan”.

Koe Pa Moksel dipangmeulikeun oetjing hidji, andjing hidji, araloes katjida.

Prak dipiara, dipikanjaäh písan koe Ma Moksel, diwarah penggal poe oenggal peuting, soepaja djinĕk djeung itjeus.

Eta doea sato, andjing djeung oetjing, aritjeus katjida [ 28 ]sarta naroeroet kana parentah doenoenganana kawas tata djĕlĕma bae.

Lila-lila, katjarita, nangkoda moenna dagangna di laoet teu pati lakoe, toeloej leumpangna ka waroeng Pa Moksel karĕpna ngindjeum djimatna.

Ana datang geus tĕpoeng djeung Pa Moksel, nangkoda njarita moenna dagangna di laoet teu pati lakoe.

Tjarekna: „sapedah ajeuna oerang geus baseroe modal, dĕmi koela dagang di kapal koerang lakoena, tjing eta djimat koe koela diïndjeum heula sakĕdap. Mangke geus doea tiloe poë, koe koela dipoelangkeun deui ka sampean.”

Gantjangna, koe Pa Moksel eta djimat dibikeun ka nangkoda.

Ana geus meunang djimat, nangkoda tĕroes balik.

Ti waktoe harita sanggeusna ngindjeum djimat, tara datang-datang ka waroengna Pa Moksel, toeroeg-toeroeg manehna djadi teu kira lakoe dagangna, ngan Pa Moksel roegi bae.

Pa Moksel njarita ka pamadjikanana, pokna: „koemaha, oerang sanggeus djimat diïndjeum koe nangkoda, dagangan oerang teu pati lakoe, roegi bae; koemaha njoesoelna eta djimat?”

Djawab pamadjikanana: „disoesoel ogeh, lamoen koe djalma mah tjoemah bae, tara beunang deui, sabab pikiran nangkoda teh djahat, tangtoe ngalawan padoe atawa djaoeh keneh ogeh geus njingkir, ajeuna mah taja deui ngan koedoe disoesoel koe oetjing djeung andjing oerang.”

Ti dinja, sanggeusna badami, toeloej eta andjing djeung oetjing piaraän teh ditjaloekan, dititah njaroesoel nangkoda tea njokot djimatna.

Oetjing djeung andjing toeloej laleumpang.

Ana datang ka sisi laoet, toeloej nendjoan kapalna nangkoda tea.

Teu lila geus kapanggih, oetjing ngomong ka andjing, pokna: „sia noe ngodjaj, mangke aing noe noempakan.” [ 29 ]Andjing pek ngodjaj ditoempakan koe oetjing.

Ana datang ka kapal nangkoda, oetjing tĕroes naek dĕmi andjing toenggoe dina tangga kapal.

Toeloej oetjing njiaran djimat kana kantong-kantong djamangna nangkoda, tapi wĕleh teu kapanggih.

Geus kitoe, oetjing toeroen deui ti kapal. Njampeurkeun ka andjing, andjing nanja ka oetjing, pokna: „mana djimat teh, beunang?”

Tjek oetjing: „euweuh, diteangan koe aing wĕleh, hĕnteu kapanggih.”

Omongna andjing: „aing mah ĕmboeng poelang ogeh ka imah, lamoen djimat teu beunang mah, sieun dimarahan koe doenoengan oerang. Ajeuna koedoe disiaran deui koe dia mangka beunang.”

Oetjing toeloej indit deui djeung pikirna panasaran; prak disiar deui, koekoelilingan di djĕro kapal.

Hanteu lila beh manggih hidji pĕti gĕde katjida, pikiranana oetjing eta djimat aja di dinja, ngan manehna teu bisa asoepna, hese.

Barang oetjing keur aja di dinja, kabĕnĕran torodjol aja hidji beurit liwat.

Koe oetjing ditoebroek; beunang.

Beurit gogoakan, sieun dipaehan, sieun dihakan.

Tjek oetjing: „moen dia bisa noeloengan ka aing, mo rek dihakan koe aing, tapi ieu pĕti geura kĕret koe dia mangkana toblong, sing rek njiran djimat.”

Beurit gantjang daek; prak pĕtina dikĕret, datang ka toblong samontjor oetjing.

Sanggeus ngĕret, beurit loempat sieuneun.

Oetjing bloes asoep ka djĕro pĕti.

Teu lila, djimatna geus kapanggih, tĕroes dibawa loempat.

Njampeurkeun ka andjing, andjing nanja ka oetjing, pokna: „mana djimat teh, beunang?”

Tjek oetjing: „aja; ieu, koe aing dibawa.” [ 30 ]Tjek andjing: „kadieukeun, koe aing bawa; ari koe dia mah, kawatir leungit deui.”

Toeloej dibikeun djimat teh ka andjing, ari manehna prak toempak andjing deui, arek baralik.

Pek andjing ngodjaj.

Barang nĕpi ka sisi laoet, djimat teh ragrag ka tjai koe andjing, sabab andjing kabengbat nendjo hakaneun.

Djimat disantok koe laoek gĕde.

Oetjing ngambĕk ka andjing nĕmpoehkeun, gĕr pasea.

Tjek andjing: „dia tong waka marah-marah ka aing, keun bae, aing ogeh sanggoep njiaran,” bari toeloej andjing leumpang ka noe bala.

Nĕpi ka noe bala, beh manggih sero sahidji; gabroeg bae koe andjing dirontok.

Sero gogoakan, sieun dihakan.

Tjarek andjing: „dia tong gogoakan, teu ditĕlĕn koe aing, tapi aing toeloengan koe dia pangnjiarkeun hidji laoek noe gĕde roepana beureum, sabab boga dosa ka aing maling djimat tina soengoet aing. Ajeuna koedoe tjokot koe dia tina beutenngna.”

Sero sanggoepeun. Toeloej bae laleumpang djeung andjing ka laoet.

Hanteu lila djimat geus beunang, tĕroes dibikeun ka andjing; sero balik.

Oetjing djeung andjing tĕroes paroelang ka doenoenganana.

Datang-datang, eta djimat dipasrahkeun koe andjing djeung oetjing ka doenoenganana; geus katarima.

Katjarita Pa Moksel dagangna tambah-tambah roegi bae, sabah eta djimatna geus loemah, meh datang ka malarat deui.

Oenggal-oenggal poë sok pasea djeung pamadjikanana, nĕpi ka pamadjikanana menta disĕrahkeun, ngadjak pĕpĕgatan di hareupeun pangoeloe.

Koe Pa Moksel ditoeroetkeun sakoemaha karĕpna pamadjikanana, toeloej arindit ngadeuheus ka pangoeloe. [ 31 ]Ana datang ka tĕmpat pangoeloe, pangoeloe kaget ningali Ma Moksel saking kageulisanana.

Pangoeloe, kagoda koe geulisna, pek nanja: „rek kamarana Pa Moksel djeung pamadjikan bĕt daratang ka hareupeun oerang?”

Ma Moksel njarita moen rek menta pĕpĕgatan djeung salakina.

Ari Pa Moksel koe pangoeloe teu koengsi dipariksa deui, toeloej bae dititah balik.

Waktoe harita nji pangoeloe teu aja, leumpang ka pasar.

Ari Ma Moksel koe pangoeloe dititah asoep ka dapoer, omongna: „tah, ajeuna mah maneh geus pĕpĕgatan djeung salaki maneh, malah koe oerang Pa Moksel geus dititah balik, pek, maneh ajeuna tjitjing heula di ditoe di dapoer bari ngadagoan nji pangoeloe.”

Ma Moksel toeloej asoep ka dapoer pangoeloe.

Teu lila koeroenjoeng pangoeloe njampeurkeun ka dapoer ngadjak badami ka Ma Moksel moen manehna mangke bada isa rek datang ka imah Ma Moksel, sarta pangoeloe mere pĕrĕsen ti heula ka Ma Moksel sapoeloeh ringgit.

Ma Moksel atoheun kabina-bina, nampa pĕrĕsen ti pangoeloe, toeloej manehna poelang.

Barang nĕpi ka djalan, papanggih djeung patih.

Patih kaget, manahna kabongroj ningali kageulisanana Ma Moksel. Toeloej mariksa: „poelang ti mana, maneh?”

Ma Moksel ngadjawab, pokna: „meuntas ti pangoeloe, tas pĕpĕgatan djeung salaki.”

Patih ngabadamian, pokna: „mangke kami kira-kira geus bada isa arek ka imah maneh, poma oelah euweuh,” bari sok patih mere doeit doea poeloeh ringgit.

Ti dinja Ma Moksel toeloej leumpang deui, karĕp rek balik.

Teu lita, tatjan rek tĕpi ka imahna, gok deui papanggih djeung kapitan, sarta nja kitoe kapitan teh bogoheun ka Ma Moksel. [ 32 ]Djeung eta kapitan ngadjak, pokna: „mangke, kira-kira poekoel dalapan kami rek datang ka imah maneh, bari sok mere pĕrĕsen tiloe poeloeh ringgit.”

Tjek Ma Moksel: „mangga, arek soemping mah, taja halangan.”

Tatapi sadjĕroning manah, Ma Moksel sabil hatena. Karoenjaeun ka salakina heubeul, Ma Moksel ngomong dina pikirna, pokna: ah, bareto aing geus mararat djeung Pa Moksel, geus ngarasa beunghar djeung Pa Moksel, anggoeran ieu doeit gĕnĕp poeloeh ringgit rek dibikeun ka Pa Moksel.

Geus mikir kitoe, toeloej bae manehna balik deui njampeurkeun ka Pa Moksel.

Tjek Pa Moksel: „koe nahaon maneh bĕt balik deui ka dieu?”

Ma Moksel njarita hajang tĕpoeng deui ka Pa Moksel sarta toeloej bebedja, moen manehna meunang doeit gĕnĕp poeloeh ringgit bari sok diselehkeun ka salakina.

Pa Moksel atoheun pisan dibawakeun doeit sakitoe lobana koe bikangna, pok nanjakeun: „ti mana maneh meunang doeit loba teuing.” Ma Moksel tjatjarita ka salakina moen eta doeit ti pangoeloe, ti patih djeung ti kapitan pĕrĕsen. Kitoe deui eta anoe tiloean bakal datang mangke peuting kira-kira sabada isa.

Tjek Pa Moksel: „na koemaha atoeh aing; sieun koe pangoeloe, koe patih djeung koe kapitan.”

Pokna Ma Moksel: „montong sieun-sieun, mangke di mana waktoe daratang, maneh koe oerang dipĕtakeun, tapi oelah ĕmboeng, soepaja salamĕt sarerea oerang.”

Djawab salakina: „nja koemaha pamĕtakeun maneh bae arina kitoe mah.”

Ti dinja Ma Moksel toeloaj ka pasar balandja; meuli poepoer, minjak seungit, bakioan, gengge djeung toengkĕt.

Ana datang ka imahna geus peuting.

Salakina dibaloeran, diborehan koe poepoer djeung koe bakioan; ditjoelang-tjaleng awakna dĕmi soekoena djeung leungeunna digengean. [ 33 ]Toeloej disina naek ka loehoer para bari didjangdjian koe Ma Moksel, pokna: „mangke, lamoen geus datang djalma noe tiloean, maneh koedoe toeroen ti loteng make toengkĕt ari leumpangna kieu: kĕtoek-gĕndjring, kĕtoek-gĕndjrin.”

Pa Moksel toeloej naek ka loteng njoempoet, dĕmi pamadjikanana dimandi bĕbĕrĕsih, prak njisiran, dipoepoer, diminjak, tĕroes dangdan njadiakeun semah anoe rek daratang tea.

Katjaritakeun ki pangoeloe. Barang reup peuting ngoempoelkeun sakabeh amil dititah ngadjaga, „karana”, pokna pangoeloe, „arek ngaronda peuting ieu bisi aja djĕlĕma datang lantoeng tamboeh ka pakarangan oerang djanari, tĕngah peuting, koe maraneh paehan bae, montong rek ditanja deui. Lamoen kami datang, tangtoe katara, sabab make delman.”

Wangsoel amil-amil: „soemangga”, bari toeloej karĕmit sapeupeuting.

Toeloej pangoeloe bral miang.

Patih nja kitoe deui. Geus koempoelkeun ponggawana, tjoetuk-tjoetak djeung oepasna, ngadjangdji kawas pangoeloe: „moenna aja noe datang loenta-lanto ti peuting koedoe dipaehan bae, montong ditanja deui, sabab lamoen aing datang mah, katara, make bendi.”

Patih toeloej indit.

Kapitan geus ngoempoelkeun soldadoe, nja kitoe dititah djaga djeung ngadjangdji sakoemaha koe parentah pangoeloe djeung patih atoeranana ngan pokna: „lamoen aing datang, katara, make kareta.”

Enggalna tjarita, barang geus kira poekoel dalapan pangoeloe datang ka imah Ma Moksel toempak delman.

Sadatangna tĕroes ngadjak ka ĕnggonna.

Tjek Ma Moksel: „sae, tapi panganggo koedoe ditjoetjoelan, kait-kaitkeun kana kastop.”

Pangoeloe toeloej moeka pakean; tĕroes ka ĕnggon.

Ana datang koe Ma Moksel digosokan awakna koe bakioan, datang ka hideung djadi hidji kos loetoeng. [ 34 ]Barang keur kitoe, kira-kira geus poekoel satĕngah salapan, aja noe ngĕtrokan panto, menta oenggah.

Pangoeloe ngoredjat kaget bari nanjakeun: „njai, eta saha noe menta oengguh djeung ngĕtrokan panto?”

Tjek Ma Moksel: „sorana mah, sada sora djoeragan patih.”

„Ajeuna, djoeragan, geura njoempoet bae heulaän ari inggis mah, tapi koedoe njoempoet di djoeroe bari ieu lampoe soehoen, soepaja kapindingan.”

Toeloej pangoeloe loempat ka djoeroe bari njoenjoehoen lampoe, ngadĕdĕmpes di djoeroe.

Geus kitoe, Ma Moksel toeloej moekakeun panto mapagkeun patih.

Sadatangna patih, taja tempo deui; tĕroes bae ngadjak Ma Moksel ka ĕnggonna.

Koe Ma Moksel digoegoe bari dilaän; panganggona sok disimpĕn kana kastop.

Tĕroes patih ka ĕnggonna.

Ana datang, koe Ma Moksel dioelasan salirana koe bakioan kos pangoeloe tadi, datang ka hideung kawas mohong.

Barang keur kitoe, aja deui noe ngĕtrokan panto menta dilaän toelak.

Patih nanjakeun: „saha eta noe ngĕtok panto menta dilaän toelak?”

Tjek Ma Moksel: „doeka, da soarana mah sada soara toean kapitan.”

Patih bingoengeun, sieun kawiwirangan.

Toeloej koe Ma Moksel disina njoempoet ka djoeroe bari dititah njoehoen kĕnap leutik deukeut lampoe. Damarna dipareuman poëk.

Ma Moksel toĕloej moeka panto mapagkeun kapitan.

Kapitan asoep, tĕroes ngadjak ka kamarna.

Ma Moksel nja kitoe deui eta Kapitan diboekaän deui pakeanana tjara noe ĕnggeus-ĕnggeus, toeloej dibawa ka ĕnggon. [ 35 ]Ana datang ka ĕnggon, prak digosokan koe bakiaon nĕpi ka hideung awakna kapitan teh kos gagak.

Barang keur kitoe, Pa Moksel toeroen ti loteng barina ngĕtroekkeun toengkĕtna, soekoena ngagĕndjring djeung leungeun da digenggean: kĕtoek-gĕndjring, kĕtoek gĕndjring.

Pangoeloe teu kawawa koe sieun ngagĕro ti djoeroe bari njoehoenkeun lampoe rek leumpang.

Patih kaget, ngababoek kĕnapna kana lampoe; brong-brang pareupeus; seuneuna geus pareum.

Kapitan goegoep koredjat, bĕrĕbĕt bae loempat.

Bawaning reuas, tjoel pakean, tjoel kareta, saleuleugeundjeur balik ka imahna.

Patih djeung pangoeloe nja kitoe deui, pada laloempatan satarandjang, ngan tinggal tjalana bae. Papakean kataringgaleun katoet bendi patih djeung delman pangoeloe.

Ana daratang kana satĕmpat-tĕmpatna, pada koe djaga-djagana dipaehan, maroekan djalma rek maling sabab satarandjang djeung harideung, djadi eta noe tiloean tjarilaka koe pamolahna sorangan.

Ari Pa Moksel djeung Amboe Moksel djadi salamĕt, banda meunang, pakean meunang soemawonna doeitna, djadi manehna tĕtĕp beunghar deui. [ 48 ]

4. Ki Djadoel djeung Ki Djasa.

Djaman baheula aja doea djĕlĕma sosobatan ande. Noe hidji ngaranna Ki Djadoel, noe kadoea Ki Djasa. [ 49 ]Hidji poë, Ki Djadoel njaba ka imahna Ki Djasa. Ladjoena Ki Djadoel njarita, pokna: „dina poë rĕbo bareto, koela leumpang mantjing ka leuwi sipatahoenan, mawa bĕkĕl sapikoel. Ladjoena pantjing koela diberean eupan, tĕroes dialoengkeun ka tĕngah tjai; tjĕmploeng.”

„Barang teu lila, eta pantjing disanggoet koe laoek, koemoenoed; tilbe kali koemoemoedna.

Barang disĕbĕroetkeun, maso Allo! katjĕpanan raweuj lobana ti doea poeloeh siki laoek lobana.”

Barang Ki Djasa ngadenge tjarita Ki Djadoel, bĕngong; kira satĕngah djam hanteu bisa ngomong naon-naon tina heran. Pikirna Ki Djasa: di mana napĕlna eta laoek doea poeloeh pantjing sahidji; ladjoe Ki Djasa nanja ka Ki Djadoel: „heran amat koela mah katjarita maneh pantjing sahidji, sakali sĕbĕroet, meunang doea poeloeh laoek, di mana napĕlna eta laoek?”

Ladjoe Ki Djadoel ngadjawab: „eta maneh oelah heran sabab koedĕrat iradatna Allo; kapan Allo mah kawasa.”

Ki Djasa hanteu ngomong deui.

Hidji poë Ki Djasa njaba ka imah Ki Djadoel tina rĕsĕp ngadenge tjarita ki Djadoel; kabĕnĕran Ki Djadoel, keur aja di imah.

Ladjoe Ki Djadoel nanja ka Ki Djasa: „arek ka mana maneh?”

Djawab Ki Djasa: „hĕnteu, koela rek oelin bae ka imah maneh, rĕsĕp koela njarita maneh. Boga deui tjarita maneh?”

Djawab Ki Djadoel: „boga, malah ieu leuih aneh.”

„Tjoba,” pokna Ki Djasa, „njarita deui.”

Ki Djadoel tĕroes njarita, kieu pokna: hidji waktoe koela leumpang mantjing ka laoet, mawa hidji pantjingdjeudjeurna awi bitoeng talina bĕnang, Mantjingna dina parahoe digajoeh ka tĕngah laoet.

„Nĕpi ka tĕngah laoet, eta pantjing dibalangkeun; talina ka tjai, djeudjeurna ditjĕkĕlan.” [ 50 ]„Barang hanteu lila disanggoet koe laoek, koemoenoed; koemoenoed tiloe kali.”

„Barang diangkat, beurat katjida; moenggah mĕlĕndong djeudjeur pantjing, dipaksa diangkat kana parahoe, ana beunang laoek pepetek sagĕde doeit benggol.”

„Ladjoe koe koela dibebek benteungna, ari boerial peudjitna ka loear saparahoe datang ka miring, eudeuk kalĕboeh saking koe gĕdena eta peudjitna djeung loba.”

Barang Ki Djasa ngadenge tjarita Ki Djadoel, ngahoelĕng; salila-lila hĕnteu ngomong mikiran eta laoek pepetek sakitoe leutikna bĕt gĕde peudjitna.

Ladjoe Ki Djasa ngomong: „bĕnĕr aneh eta tjarita maneh, Bapa Djadoel, koela heran amat laoek pepetek leutik gĕde peudjitna.”

Pokna Ki Djadoel: „oelah sok heran, Bapa Djasa, ka koedĕrat iradatna Allo, pan Allo mah kawasa.”

Ki Djasa hĕnteu ngomong deui.

Hidji waktoe Ki Djadoel njaba ka imah Ki Djasa keur aja di imah.

Ladjoe Ki Djasa nanja ka Ki Djadoel: „rek ka mana maneh?”

Djawab Ki Djadoel: „hĕnteu, rek oelin bae, geus lila oerang hanteu papanggih.”

Ladjoe doeaän pada ngomong.

Ki Djasa nanja ka Ki Djadoel, pokna: „boga keneh maneh tjarita anoe aneh?”

Djawab Ki Djadoel: „boga; ari maneh hajang mah, oerang njarita.”

„Poegoeh bae,” tjarek Ki Djasa, „hajang mah, tapi anoe aneh.”

Tĕroes Ki Djadoel njarita; kieu njaritana.

„Hidji tempo koela leumpang mantjing ka laoet toempak parahoe mawa bĕkĕl kedjo sabakoel. Ladjoe parahoe digajoeh ka tĕngah laoet.”

„Barang datang ka tĕnguh laoet, ladjoe pantjing dilĕpas, eupanana ogeh daging moending toedjoeh kati.” [ 51 ]„Geus tiloe poë lilana, karak koe laoek disanggoet, dibawa ka tĕngah, boesoesoet; boesoesoet toedjoeh kali.”

„Parahoe teh kabawa koe laoek beurang peuting, lilana pat poeloeh poë, opat poeloeh peuting.”

„Koela geus teu ingĕt kaler-kidoel, maso Allo, tjek rasa dina ati, asa mohal kapanggih deui djeung indoeng baroedak.”

„Waktoe harita hanteu dahar, hanteu nginoem, manggih balangsak kabina-bina.”

„Barang ingĕt, ngaragap ka loehoer; diragap teh bĕje-bĕje, horenganan eta noe bĕje teh langit.”

Ki Djasa ngahoelĕng bĕngong, salila-lila hĕnteu ngomong.

Barang geus lila, ladjoe Ki Djasa nanja ka Ki Djadoel, pokna: „ari kitoe, langit teh kawas parioek ari di sisi mah handap?”

Ki Djadoel ngadjawab: „eh, Ki Djasa, maneh oelah sok heran ka koedĕrat iradatna Allo, pan Allo mah noe kawasa, anoe loehoer didjieun handap.”

Ki Djasa hĕnteu ngomong deui.

Hidji waktoe Ki Djasa njaba ka imah Ki Djadoel; kabĕnĕran Ki Djadoel keur di imah.

Ladjoe Ki Djadoel nanja ka Ki Djasa: „arek ka mana maneh?”

Djawab Ki Djasa: „hĕnteu, koela rek oelin bae ka imah maneh, hajang njaho koemaha ajeuna, rĕsĕp keneh kana mantjing?”

Ngadjawab Ki Djadoel: „poegoeh bae masih rĕsĕp, ngan ajeuna oerang rada njĕri kana diri, sabab oerang diarah maoeng djeung diarah boehaja.”

Ki Djasa toeroet nanja: „ajeuna koemaha pikiran maneh?”

Ngadjawab Ki Djadoel: „oerang mah ajeuna ngadoekeun, paroentoengan bae koemaha takdir Allo bae.”

„Isoekan oerang eudeuk leumpang-deui mantjing, pikir oerang, moestahil manoesa eleh akal koe satona. Oerang eudeuk njieun ajoenan ditalikeun kana areuj di sisi tjai, koe maoeng oelah kahontal, koe boehaja oelah kadjantra; mawa golok anoe seukeut.” [ 52 ]Ĕnggeus ngomong, Ki Djasa pamitan balik ka imahna.

Barang isoekna, Ki Djadoel toeloej dangdan, mawa pantjing, njoren golok; toeloej bral leumpang mantjing.

Hĕnteu lila nĕpi ka ĕnggon mantjing, toeloej Ki Djadoel naek ka ĕnggon mantjing. Eta ajoenan tea ditalikeun kana areuj, beunang dikatĕngahkeun beunang dikasisikeun.

Hanten lila datang maoeng di sisi tjai njampeurkeun Ki Djadoel.

Koe Ki Djadoel ajoenan dikatĕngahkeun.

Barang Ki Djadoel neuleu ka handap, aja boehaja.

Ki Djadoel atina soesah, mikiran koemaha akalanana djadi salamĕt.

Si maoeng samingkin marah nĕlik lagana Ki Djadoel, poendĕlak-poendĕlik matana bari roendat-rindat halisna.

Ki Djadoel samingkin tĕlik matana nĕlikkeun lagana maoeng, sieun gĕbroeg, sieun gĕbroeg.

Geus kitoe, si maoeng teu tahan sabar, ladjoe gĕbroeg dibĕbĕroek bari dihontal hanteu kahontal, garoeboeg ragrag ka tjai si maoeng, nimpah kana boehaja.

Boehaja kaget bari ngarontok; patarik-tarik toengtoengna, toeloej pasea.

Geus lila, Ki Djadoel soesoerakan bari njaboet golok.

Njaboet golok eta, leungeun ka loehoer barina soerak, teu kadeuleu golok seukeut naradjang kana areuj tali ajoenan; bĕset, pĕgat.

Ki Djadoel toeloej ragrag ka handap nimpah maoeng noe keur pasea.

Maoeng kaget, boehaja kaget; maoeng naek, boehaja teuleum.

Ki Djadoel leuih balangsak ngarandang ke loehoer ka sisi, pakean tjiproek baseuh, ngadaregdeg datang ka loehoer, Jeumpang poelang eureun-eureunan sabab tina baloeas tea.

Katjarita Ki Djadoel geus sĕgĕr.

Ladjoe dangdan, make badjoe, djas, tjalana sontog, tjĕkĕl toengkĕt, toedoeng make dipengpĕlekkeun; ngalaga tjara noe gagah, leumpang ka imah Ki Djasa. [ 58 ]

5. Peutjang djeung Landak.

Katjaritakeun dina hidji goenoeng aja hidji ratoe landak boga anak parawan sahidji. [ 59 ]Mangsa harita koe indoeng-bapana rek dilakiankeun ka bangsana deui, ngaranna Landak sarab.

Barang piïsoekaneun rek dipangantenkeun, datang hidji peutjang ngaganggoe ka pipanganteneun, dipaling koe peutjang, dibawa ka noe soeni, datang ka beunang diparawanan.

Bapana djeung piminantoeëunana ngarambĕk ka peutjang.

Gĕr pada ngĕpoeng, pada ngoedag djeung sabatoer-batoerna; si peutjang rek pada maehan.

Si peutjang sieuneun, loempat sakaloempat-lampet; meh kasoesoel koe landak.

Tina bakating koe sieun, si peutjang loempatna, katalandjoer bras bae ka sisi waloengan gĕde, anoe loba boehajana.

Ana datang ka dinja, tjampĕgo bae ngahoelĕng bawaning tjape. Arek meuntas, hanteu bisa; ari rek balik deui, sieun koe landak.

Barang keur mikiran pidjalaneun, pĕntjĕngkoel boehaja, moentjoel di hareupeun manehna pisan.

Si peutjang kaget djeung goemĕtĕr mani noroktok, ngadegdeg reuas nendjo boehaja gĕdena kabina-bina, tjalawak rek njantok ka manehna.

Si peutjang ngomong bari njĕntak pokna: „hih, boehaja, maneh oelah njingsieunan ka aing, mangke rek dibere kahakanan noe matak seubeuh koe kami. Ajeuna soekoer kabina-bina kami bisa papanggih djeung maneh, eukeur mah didago-dago ti tadi.”

Boehaja ngadjawab basana: „naha sia ngomong kitoe, arek naon ngadago-dago ka aing, da aing mah di dieu soteh keur neangan hakaneun.”

„Malah ajeuna aing atoh pisan, lapar ti kamari hajang barang hakan, teu manggih anak monjet-monjet atjan hakaneun. Bĕt kabĕnĕran aja maneh, ajeuna maneh tangtoe dihakan koe aing, geus nĕpi ka djangdji manĕh koedoe djadi milik aing.”

Peutjang ngadjawab sĕmoe manis djeung ngolo-ngolo pokna: „ih, mas boehaja, lain kitoe, koedoe manahan heula [ 60 ]koe andjeun noe leuih pandjang, oepama sampean dahar kaoela, dirasa-rasa noe matak warĕg karana awak kaoela teh sakieu leutikna, boro-boro bisa mahi djeung keur batoer- batoer sampean, andjeun ogeh hamo warĕg, tangtoe hajang keneh.”

„Ari noe matak kaoela ka dieu, satĕmĕn-tĕmĕnna dioetoes koe kangdjĕng radja nja eta dipiwarang ngoempoelkeun sakoelawarga sabatoer-batoer sampean koedoe beunang itoenganana. Sabaraha reana boehaja noe aja di lĕbah dieu, koe kaoela rek dibilang, mangke lamoen geus kaitoeng, koe kangdjĕng radja bakal dibagi dahareun noe boeat tjoekoep matak seubeuh ka sampean djeung ka batoer-batoer sampean.”

„Malah ajeuna ogeh, kangdjĕng radja ker miwarang meuntjitan sapi djeung kĕbo, nja eta keur baris parab sampean djeung sabatoer-batoer sampean.”

„Ajeuna mah, anggoer geura prak koempoelkeun sabatoer-batoer sakoer noe aja di lĕbah dieu, koe kami arek dibilang laporkeuneun ka radja, da kami teu meunang lila di dieu.”

Djawab boehaja: „ah, naha ĕnja, mas peutjang, lamoen estoe mah sasaoer sampean kitoe, kaoela atoh katjida, malah ajeuna pisan koe kaoela rek dikoempoelkeun batoer-batoer soepaja djogo kabeh di hareupeun sampean.”

Tjarekna peutjang: „hih, kami mah tara bohong kakapeungan, hamo ĕnja ngabobodo ka maneh.”

Sanggeusna kitoe, boehaja pĕrtjajaeun pisan ka si peutjang, samaroekna ĕnja.

Ti dinja lĕkĕtĕp bae si boehaja teuleum.

Hanteu koengsi lila geus tingparĕntjĕngkoel boehaja, sapirang-pirang koempoel ngaberes di hareupeun si peutjang.

Tjarek si peutjang: „mangka beres djadjaranana, sing lĕmpĕng nĕpi ka sisi ti ditoe, oelah anggaresol, koe kami arek dibilang.”

Ti dinja, tjleg si peutjang atjleg-atjlegan laloentjatan dina hoeloe boehaja bari poera-poera milang pokna: „satoe, doea, tiga, ampat, lima,” satoeloejna. [ 61 ]Barang geus nĕpi ka noe pangsisina, djlĕng tĕrĕlĕng bae si peutjang loempat barina soesoerakan soesoembar pokna: „hojah, hojah si boehaja beunang dibobodo koe aing, aing mah milang soteh hajang meuntas.”

Boehaja tingkalĕtjĕboer, arambĕkeun dibobodo koe si peutjang aroepatanana kieu: „keun bae sia dikalakkeun koe aing, diarah saooemoer-oemoer sapiriroempi, saänak intjoe sia.”[1]

Ti dinja si peutjang tĕroes loempat ka leuweung; geus salamĕt tina bahlana ti boehaja djeung landak.

Barang nĕpi ka leuweung, prak manehanana ngeureunan tjape di gigireun tjatang gĕde.

Dĕmi eta tjatang di tĕngah-tĕngahna gorowong, aja liangan samontjor peutjang.

Ari manehna keur njarande ngioehan kana tjatang, bĕt nendjo anak maoeng doea lalĕntik keneh noe keur aroelin: koe indoengna ditinggalkeun keur balangsiar.

Toeloej koe si peutjang disampeurkeun anak maoeng teh bari ditanja pokna: „keur naon sia, baroedak, di dinja, ka mana indoeng sia?”

Djawab anak maoeng: „teu sing, kami mah keur oelin bae, naha, rek naon nanjakeun indoeng kami?”

Djawab si peutjang: „hanteu, tadina, lamoen aja rek ditjawenean koe aing.”

Anak maoeng teh arambĕkeun ka si peutjang, tapi teu waranieun ngalawan wantoening laleutik keneh.

Ari omongna: „hag, sia, mangke lamoen indoeng aing geus datang, rek dibedjakeun.”

Si peutjang harita ngaleos ka leuweung.

Hanten koengsi lila, torodjol indoengna maoeng teh datang njampeurkeun ka anakna bari rek njoesoean.

Anak maoeng aralewoh bebedja ka indoengna moen aja [ 62 ]peutjang rek njaloentang, rek ngoenghak ka indoengna.

Indoeng maoeng ambĕkeun katjida ka si peutjang bari ngatak-ngatakkeun pokna: „keun sia, mangke, lamoen datang deui, koe aing rek dikĕrĕwĕs, dihakan; ajeuna rek diïntip.”

Ti harita si peutjang ditoenggoe-toenggoe koe indoeng maoeng, tapi teu datang.

Leos deui bae indoeng maoeng teh, njaba deui njiar hakaneun.

Hĕnteu lila, djol si peutjang datang deui njampeurkeun ka anak maoeng; tĕroes nanja deui kawas noe geus kalampahan kamarina.

Didjawab koe anak maoeng moen indoengna teu aja, keur balangsiar.

Si peutjang nja kitoe deui bae omongna: „lamoen aja, indoeng sia rek dipake pamadjikan koe aing.”

Anak maoeng beuki poesing bae, ambĕkeun ngan teu wani ngalawan.

Si peutjang geus ngaleos, goeroedag indoengna datang; baroedakna barebedja deui sĕmoe arambĕkeun pisan.

Indoengna nja kitoe deui.

Sanggeusna kabedjaän koe anakna mani tikakĕrĕkĕt, hoentoena garĕgĕteun bawaning keuheul ambĕkna ka si peutjang, mani hajang ngĕrĕwĕs ngahakan.

Isoekna manehna teu njaba deui, sapoë tjitjing dina roengkoen ngintip si peutjang.

Barang kira-kira tĕngah poë, datang sipeutjang njampeurkeun deui ka anak maoeng pok deui kos sasari.

Ari tjek anak maoeng: „euweuh ĕma, keur balangsiar.”

Tjek si peutjang: „handjakal, oenggal-oenggal aing ka dieu sok njampak soewoeng; moen aja mah, koe aing rek ditanjaän, rek dibawa kana paroengpoeng.”

Barang si peutjang keur ngomong kitoe, didodoho koe indoeng maoeng bari ditĕgor pokna: „hajoh, sia beunang koe aing, ajeuna mah rek dikĕrĕwĕs.” [ 69 ]

6. Ki Miskin Jadi Ratu.

Kocapkeun waktu keur jaman baheula aya sahiji jalma malarat, tukang menta-menta.

Geus sababaraha poe balangsiarna teu jasa beubeunangan, datang ka tujuh poe tujuh peputing ngalalu teu baranghakan.

Barang nĕpi ka hiji kampung, kabĕnĕran aya nu mere gula sakerek ti tukang nyadap.

Ki miskin atoheun kacida meunang eta gula, tapi ku manehna hĕnteu didahar sabab kareueut teuing jeung manehna teu boga sangu.

Ari pikiranana sugan bae eta gula mangke aya nu meuli, duitna keur meuli sangu sabab saya pisan nu mere sangu atawa kahakanan anu sejen.

Eta gula tuluy bae ku Ki miskin dibubungkus dikakandung.

Ana dibuka rek dihakan tina kalangkung laparna, gulana digĕmbrong sireum.

Gula leëh, wantu gula rada ngora godog.

Tuluy ku manehna dipoëkeun dibĕbĕrĕsihan; sireumna geus paraeh geus dipiceun tĕrus gulana dibungkus deui, teu tulus dihakan. [ 70 ]Barang nĕpi ka hiji jalan, beh papanggih jeung nu dagang bacang. Gulana ditukeurkeun, meunang bacang sahiji, tĕrus dibawa leumpang deui bari dicoö-coö.

Tapi Ki Miskin teu wanieun ngahakan bacang, sabab tacan pisan manggih sangu, sieuneun nyĕri beuteung.

Ti dinya tuluy bae indit deui ari karĕpna eta bacang rek ditukeurkeun kana sangu atawa dijual kana duit, sugan aya nu meuli.

Barang nĕpi ka hiji lĕmbur, kabĕnĕran aya hiji awewe nu keur nyiram. Eta bacangan Ki Miskin dijual opat duit ka anu keur nyiram.

Ari geus meunang uang opat duit, Ki Miskin tuluy bae leumpang deui.

Barang geus jauh leumpangna, beh manggih deui hiji lĕmbur.

Di dinya manehna nenjo jĕlĕma nu keur nareunggeulan oray paeh.

Ku Ki Miskin geuat diburu bari gĕgĕroan nanya, pokna: "Aya naon, aya naon?"

Jawabna nu keur nareunggeulan oray teh: "Ah, maneh tatanya teuing. Naha, teu kadeuleu ku maneh, ieu, oray, nu keur diteunggeulan ku kami teh. Naha, rek naon?"

Tjeuk Ki Miskin: „aih, lain kitoe. Koemaha lamoen koe koela dibeuli bae doea doeit, tapi oelah toeloes dipaehan sabab karoenja djasa; soegan reugeudjeug deui.”

Djawab noe keur neunggeulan oraj: „aih, nja, seug teuing atoeh ari rek dibeuli mah, tong dibeuli ogeh, koe kami mo tilok dibikeun da di kami mah taja pĕrĕloena ieuh.”

Geus kitoe, koe Ki Miskin toeloej dibajar doeit, dĕmi orajna ditjokot, diwadahan dina roeas make tjai, soepaja eta oraj tiïs di djĕro roeas.

Ti dinja Ki Miskin toeloej leumpang deui, doeitna ngan tinggal doea doeit deui.

Barang nĕpi ka hidji waroeng, manehna njampak toekang waroeng ngoedag-ngoedag anak monjet. Dibĕbĕrik rek [ 71 ]dipaehan sapedah sok malingan tjaoe djeung sagala kahakanan dagangan ti waroengna.

Datang ka beunang anak monjet teh djeung rek dipaehan, Ki miskin loempat njampeurkeun bari nanja, pokna: „eh, agoes, koe naon, dosana noe mantak eta monjet rek ditjĕkekan? Aloek si koe koela bae dibeuli doea doeit, tong dipaehan, njaäh, koe koela rek diingoe”.

Dawab toekang waroeng: „top bae lamoen rek dibeli mah. Tadina rek dipaehan koe kami, sabab djahat; ilok malingan dagangan ti waroeng kami mani rek beak, kami mah pagon gĕmĕs ka eta monjet teh.”

Geus kitoe, prak dibajar koe Ki miskin doea doeit.

Monjetna seug ditarima, diais koe samping manehna. Toeloej bae leumpang deui ngais monjet; tĕroes sakaleumpang-leumpang hanteu aja noe disĕdja.

Katjarita eta Ki miskin leumpangna kasasar ka leuweung anoe djaoeh ka pilĕmboeran.

Di dinja gĕr hoedjan gĕde, gĕlap dor-dar, reup datang ka peuting.

Manehna ngioehan di handapeun tangkal kiara djeung monjet, katiloe orajna.

Barang isoekna, braj beurang. Roeas orajna diboeka dikaloearkeun eta oraj geus tjageur deui, djagdjag, tanginas kawas biasa sasari.

Ki miskin oelin di handapeun kiara bari ngoesapan monjetna djeung njoö oraj, pok ngomong kieu: „tjing, sia sing araja pasanggoepan, sing aja moenat pedah rek paraeh, koe aing geus ditoeloengan, didjait tina balai”.

„Ajeuna aing hajang njaho, naon pasaranggoep sia ka aing, sapedah aing ajeuna keur dina djĕro sangsara”.

Oraj teh ngadjawab, tjara djĕlĕma pokna: „beu, djoeragan, koela tarima pisan reh geus ditoeloengan koe adjĕngan didjait tina balai, datang ka bisa waloeja deui. Tatapi koela teu bisa moelang tarima naon-naon, ngan ieu gadoeh jimat doea siki, saroepa siki waloeh djeung siki samangka”. [ 72 ]„Mangga, ieu koela ngahatoeranan pakeun djimat adjĕngan”.

Toeloej bae dioetahkeun koe oraj tina tikorona.

Pok deui oraj: „dĕmi hasiatna: eta siki waloeh geura pĕlak koe adjĕngan. Dina djĕro toedjoeh poe toedjoeh peuting, tangtoe boeahan sahidji, ari eusina di djĕro nagara saraoeh sapangeusina hĕnteu aja kakoerangan”.

„Siki samangka nja kitoe deui koedoe dipĕlakkeun. Di djĕro toedjoeh poe toedjoeh peuting, lamoen geus boeahan, eta eusina doenja barana, kajaning: ĕmas, intĕn djeung sagala roepa-roepa pĕrmata katoet sapanganggo karadjaän, djeung naon bae sapamenta oerang, di dinja geus sadia, taja kakoerangan”.

„Kitoe deui koering wĕwĕling, mangke isoek djaganing pageto, adjĕngan manggih kasoesahan gĕde, geura nendjrag lĕmah bae tiloe kali, tan wande koela datang djeung sabatoer-batoer koela, karana satĕmĕnna bapa koela teh radja oraj di dasar lĕmah noe katĕlah Nagagini”.

Djawab Ki miskin: „beu, doeloer, atoeh noehoen katjida jen kaoela dipaparin djimat anoe sakitoe ahengna”.

Toeloej koe Ki miskin diboengkoes dina toengtoeng ikĕtna.

Sanggeus kitoe, oraj teh amit balik, sarta koe Ki miskin dileupaskeun.

Geus ngaleor, hanteu kanjahoan losna.

Ti dinja Ki miskin malik nanja ka monjet tjara ka oraj.

Ari djawab monjet: „hih, ari koela mah noe rek moelang tarima ajeuna, mangke bae dina waktoe sampean aja karĕrĕpĕt soesah katjida, tangtoe koela moelang tamba, sapĕrti aja pĕrang rame atawa begal rantjana, eta mah koela noe baris nanggĕl, sabab bisi sampean hajang oeninga, bapa koela teh ratoe siloeman djeung ratoe sakabeh monjet”.

„Dĕmi ajeuna sampean montong hawatir, mangga bae, ka mana anoe rek disĕdja koe sampean, koela sĕdja ngiringan, rek bela toemoetoer”.

Tjarekna Ki miskin: „beu atoeh soekoer nakĕr ari maneh [ 73 ]goemela mah, tapi ajeuna oerang koedoe wajahna, tangtoe sangsara, sabab teu aja barang tĕdaeun”.

Djawab monjet: „teu naha-naha da koela mah gampang ieuh loba boeah kai keur hakaneun”.

Barang ti dinja, Ki miskin teu lila deui, djeung monjetna toeloej bae arindit sakaparan-paran.

Ana toeroen ka beh lĕbak, gok manggih hidji imah nĕnggang di sisi djalan leutik, ari eusina eta imah sahidji ewe randa ĕnggeus kolot.

Ki miskin toeloej mamaäiipan, menta eureun.

Nji randa kolot nĕmpo ti djĕro imah barina moekakeun panto, pok nanja: „aih, koela mah reuas, agoes teh anoe ti mĕndi, mana sisinarieun seba sampeur ka tĕbeh dieu? Koela mah ilok hareungeukeun teuing ki agoes, naha, rek aja bedja naon ka ĕma, ti mana nja padoekoehan, djeung ĕma anjar pinanggih”.

Djawabna Ki miskin: „tilok ĕma, koela rek menta eureun bae, tjape mĕntas njaba. Djeung soegan aja pangasih, koela sĕdja menta dahareun, pedah ti kamari tatjan manggih madang”.

„Kitoe ogeh njampak di ĕma, ari lĕmboer djaoeh, koela ti tanah sabrang, dĕmi ngaran, katĕlah Ki miskin bae, sadajana geus pada njaho ka koela”.

Nji randa kolot karoenjaeun pisan ka Ki miskin, ladjoe gapioek njoegoehan saäja-aja, sangoe poĕ djeung beuleum boled teu make oejah-oejah atjan.

Omong Nji randa kolot: „agoes, sawawi geura madang, tapi wajahna bae sangoena tiïs da sangoe kamari djeung keur noedjoe soewoeng djasa, taja rewangna, taja sambĕl, taja oejah-oejah atjan, ngan ieu djeung beuleum boled kĕrĕsa. Tapi hajang, ĕma tong waka ingkah heula pagon mangke oerang njanggoe deui lamoen hajang anoe haneut mah”.

Djawab Ki miskin: „tarima djasa, ĕma; sakieu ogeh noehoen”.

Prak manehna njanghareupeun kana sangoe, tapi teu [ 74 ]didahar da sangoena tiïs, toeroeg-toeroeg sangoe beureum. Ari beuleum boled rada atah keneh, kamandjon, di loearna hipoe di djĕronn teuas, keur meudjeuhna hoemitoet; sok bae dibikeun ka monjetna sina dihakan.

Nji randa kolot ngomong deui ka Ki Miskin, pokna: „agoes, koemaha, lamoen kieu: montong teuing moelang deui agoes ka tanah sabrang.”

„Ari taja kabeurat mah, leuih hade oerang di dieu bae djeung ĕma diadjar kĕbon, karana ĕma teu pisan boga anak. Bisi agoes tani ngĕbon atawa ngahoema di dieu, teu kakoerangan lahan pĕlakaneun pakahoeripan oerang.”

Djawab Ki Miskin: „atoeh hade djasa, lamoen ĕma daek kaäntjikan koe noe batan kieu malaratna, meureunan oeing mah ngan poerah njatoe bae sabab taja pangabisa.”

Tjarek Nji randa kolot: „kadjeun teuing, soepaja ĕma bae dibatoeran arah aja batoer ngomong pakihikeun.”

Gantjangna tjarita, Ki Miskin katoet monjetna dipiara, dihade-hade, ditĕmpatan.

Sanggeusna Nji randa kolot koe Ki Miskin aja sakadar mahi, teu koerang koe dahareun, koe pakeëun djeung ngaraksoek pĕpĕlakana sagala aja.

Toenda heula tjarita Nji randa kolot djeung Ki Miskin.

Katjatoerkeun noe boga nagara, djĕnĕnganana pĕrĕboe Linglang boeana, kagoengan poetra sahidji istri, djĕnĕnganana njai poetri Majang woelan, geulisna kawanti-wanti, endah taja noe nandingan.

Dina mangsa harita eta poetri kira oemoer dalapan wĕlas tahoen keur meudjeuhna roemadja poetri, geus loba pisan radja-radja noe nanjaän, tapi noe ditjatoerkeun radja noe toedjoeh nagara djĕnĕnganana: hidji Radja Kahoeripan, kadoea Radja Boerda Nagara, katiloe Radja Anggara Joeda, kaopat Radja Soekra Ningrat, kalima Radja Dano Raspati, kagĕnĕp Radja Toempĕk Wadja djeung katoedjoeh Radja Djohar Manikam. [ 75 ]Eta para radja noe sakitoe mararoendoet, kabeh pada marantjoeh koe roepa-roepa panganggo istri raoeh oeang sapĕrti: ĕmas intĕn djeung lian ti dinja. Tatapi koe kĕrsana pĕrĕboe Linglang Boeana hĕnteu atjan dipasihkeun ka dieu-dieu ogeh karana tina rea teuing anoe nanjaän, manahna pĕrĕboe, lamoen dipaparinkeun saoerang tangtoe djadi karoesoehan sisirikan. Toeroeg-toeroeg datangna soerat-soerat pananjaän barĕng pisan taja noe heula pandeuri djadi mohprok.

Toengtoengna pĕrĕboe teh bingoeng ngamanahan radja-radja sakitoe rarongkahna toer djaroegala, lain radja djore-djore, sami gagah pĕrkosana, hĕnteu kakoerangan balad djeung sarakti.

Enggalna tjarita, pĕrĕboe badami sarĕng prameswari raoeh den patih, lahirna: „ki patih, ajeuna eta pĕrkara soerat-soerat panglamar ti para radja nanjaän si njai koedoe ki patih walonan, dĕmi maksoedna dina djĕro eta soerat oerang ngaembarakeun nji poetri. Karana, lamoen koe kami dibikeun ka saoerang, tangtoe djadi karoesoehan soemawonna koe kami moen teu dibikeun, tangtoe pisan mangkena ngaroeroegan pĕrang ka nagara oerang.”

„Ari ajeuna, patih, geura nitah ka ponggawa eta djimat oerang, manoek titiran poetih noe sakĕmbaran, geura sina dikĕlat dina loehoer tjaringin koeroeng. Mangkana saha-saha noe bisa mĕntang koe panah sarta keuna kana panon eta manoek, nja eta pidjodoëunana poetri djeung koe kami tangtoe didjĕnĕngkeun ratoe, di nagara ieu didamĕl radja anom.”

Raden patih sanggeusna nampi timbalan ti pĕrĕboe, Iadjĕng bae ngadamĕl toedjoeh soerat pangwalon baris koe toedjoeh radja, oengĕlna, ditjarioskeun, sakoemaha timbalan pĕrĕboe tea.

Toenda tjarita den patih noe keur njieun soerat walonan.

Katjaritakeun deui Ki Miskin djeung indoeng poeloengna, nja eta nji randa tea.

Ki Miskin ngomong ka indoengna pokna: „ĕma, ai oeing [ 76 ]ngadenge bedja etjes pisan, moen kangdjĕng pĕrĕboe kagoengan poetra istri geulis katjide, pikiran oeing, ajeuna, lamoen diparĕngkeun boga ewe ka poetri poetrana radja, oeing meureun bisa djadi radja, ĕma ogeh tangtoe miloe sĕnang disĕboet ratoe sĕpoeh.”

„Koe sabab kitoe, tjing, ma ajeuna geura indit ka nagara, ngadeuheusan ka goesti hajang njaho oeing, koe ĕma pangnanjaänkeun, soegan bae eta poetri koe iboe-ramana dipaparinkeun ka oeing: Los, ĕma, ajeuna koedoe indit, masing diandĕlkeun, koe oeing dipĕrih pati sing aja kabeubeunangan poetri teh, masing daekeun.”

Ari djawab nji randa bari kaget: „boesoet si agoes, ilok koe geuraheun, pinoeh koe mĕnding, kami mah teu irakeun teuing, ieuh, lelewa si agoes make hajang boga geureuha ka poetri bĕt kami mah boro-boro datang ka wani nanjaän poetri. Papanggih ogeh ngimpi diangir mandi, tjek babasan tea mah, koe tatjan loedag-ladog ka nagara teh djeung salawas ngeundeuk djagat bet tatjan ieuh di roepana radja.”

„Djeung deui, agoes, oelah kitoe paomongan, pamali, ari pĕrĕboe mah matak doraka. Oelah satjoemplang-tjoempleng, bisa aja noe ngadenge. Koemaha moen aja noe ngabedjakeun? Ĕma mah inggis.”

Tjeuk Ki Miskin: „ih, ari ĕma, oeing mah saĕnjana, lain omong babanjolan basa sombong. Geura bral ajeuna, ĕma, koedoe leumpang ka nagara ngadeuheus ka radja geura nanjaän poetri mangkana beunang.”

Nji randa kolot gĕgĕbes bae, teu daekeun indit, omongna: „sangeuk, kami mah isin, teu irakeun, bĕt teu poepoegoeh, rek ngawiwirang ka kolot, koeriak teuing, ditangkĕp meureun ĕma tjilaka.”

Gantjangna, pakeukeuh-keukeuh noe nitah djeung noe dititah.

Tjarek Ki Miskin: „eh, ĕma, kadjeun ari teu daek mah, tapi oeing mah lain omong bĕbĕnjon.

Lamoen ĕma teu poeroen leumpang ka nagara ngadeuheus ka radja, tangtoe oeing mo aja di dieu, rek balik ka lĕmboer oeing.” [ 77 ]Nji randa kolot reuaseun pisan, sieuneun ditinggalkeun koe anakna djawabna: „boesoet djaloe, oelah kitoe. Kadjeun, ajeuna ĕma rek ngeureujeuh, ari keukeuh kĕdeuh mah koedoe ngadeuheusan ka radja arek wajahna bae isin-isin ogeh.”

Ari isoekna nji randa kolot toeloej indit leumpang ka nagara.

Barang datang ka babantjong aloen-aloen, hĕnteu tatanja heula, tĕroes bae ka lĕbĕt padalĕman.

Gĕr bae pada nangkĕp, goelang-goelang djeung oepatjara disanggakeun ka pajoeneun pĕrĕboe.

Nji randa kolot ngadegdeg djeung doemareuda tjeurik tina bawaning sieun djeung isin.

Barang kitoe kaoeninga koe pĕrĕboe aja nini-nini direreang dibawa ka pajoeneunana, pĕrĕboe kaget bari ngalahir saoerna: „nini-nini ti mana ieu dibawa ka pajoeneun aing, nahaon dosana mana ditangkĕp?”

Djawab goelang-goelang: „noen, daoeh goesti, teu atjan diparios koe djisim abdi; anoe mawi ditangkĕp rek torodjog tampa larapan ka lĕbĕt.”

Pĕrĕboe malik mariksa ka nini lahirna: „nini rek naon kita mana asoep ka padalĕman?”

Nji randa kolot ngadjawab djeung tjeurik, pokna: „poegoeh oeing teh didjoeroengkeun koe Ki Miskin ngadeuheus ka goesti soegan katampa sarĕng dipaparinkeun. Dititah nanjaän toeang poetra, njai poetri, pokna: poen anak, Ki Miskin, arek didjieun bodjo pedah manehna tatjan boga pamadjikan.”

„Sakitoe geh oelah bĕndoe, goesti, ka oeing, da oeing ieuh darma soekoe, samboeng leumpang, biwir samboeng lemek ngalakoekeun titahan.”

Radja goemoedjĕng raoeh garwana, lahirna: „adoeh, njai, anak oerang bĕt boga milik aloes-aloes teuing, geus poegoeh ing para radja pada nanjaän. Eta indoeng Ki Miskin dititah nanjaän koe anakna anoe lain pantĕsna lain pĕrnahna, eta mah koemaha karĕpna si njai bae ngadjawabna mah ka amboe Ki Miskin.” [ 78 ]Barang radja keur sasaoeran kitoe, sĕmpal goejoer djeung iboe poetri, poetri oendjoekan ka ramana di hareupeun amboe Ki Miskin, pioendjoekna: „soemoehoen, ama, ari tjara diri abdi mah, soemawonna pangkat radja sanadjan Ki Miskin ogeh, teu djadi sawios-wios, ngan soepados tiasa ngalaksanakeun kana saembara ama tea.”

„Sarĕng panĕda abdi ka poen Miskin, lamoen manehna ngajakeun nagara anjar raoeh sapangeusina sarĕng djalanna dikeusik koe pĕrmata kajaning djambroet, angkik sarĕng lain ti eta nĕpi ka nagara oerang, eta soemangga pisan oelah bon siang sanadjan wĕngi koe abdi kantĕnan ditampi pisan.”

Radja ngalahir ka Nji randa kolot daoehanana: „tah, geuning amboe Ki Miskin, kadenge koe maneh kitoe eta pamoendoetna anak kami, teu koengsi dipariksa deui koe aing, geuning geus djawah sorangan. Djig, maneh geura balik, bedjakeun ka anak maneh, moen aing ajeuna saembara, mangke lamoen anak maneh bisa meunangkeun manoek djimat roepa titiran sakĕmbaran noe dikĕlat di loehoer tjaringin koeroeng sarta koedoe katiïr matana koe panah, eta pasti koe aing dipoeloeng mantoe djeung didjĕnĕngkeun radja di nagara ieu.”

„Tapi moen anak maneh teu bisa njaosan kana saembara aing, tangtoe dihoekoem djeung awak maneh, sabab maneh lantjang koemawani nanjaän ka anak ratoe.”

„Los, ajeuna geura balik, bedjakeun ka anak maneh sakoemaha pamentana anak aing.”

Ti dinja Nji randa kolot toeloej indit barina tjeurik, pikirna sieun katjida diteukteuk beuheung Iamoen teu bisa katjaosan sapamoendoetna poetri raoeh radja.

Tĕroes balik ka imahna.

Barang datang, prak njarita ka Ki Miskin bari doemareuda tjeurik, kabeh sakoemaha daoehanana pĕrĕboe ratoe sarĕng poetri.

Ki Miskin seuri bari ngomong pokna: „hih, ĕma, montong sieun-sieun teuing karek sakitoe bae mah. Oeing mah teu gimir ieuh, keun bae oeing sanggoep.” [ 79 ]Sanggeusna kitoe, isoekanana Ki Miskin toeloej indit ka kĕbonna mĕlakkeun djimatna siki waloeh djeung samangka tea.

Barang ĕnggeus toedjoeh poë lilana, njata pisan waloeh djeung samangka teh geus baroeahan sarta galĕde pisan, tatapi ngan satangkal sahidji boeahna, nja eta waloeh sahidji, samangka sahidji.

Toenda tjarita Ki Miskin.

Katjaritakeun radja noe toedjoeh nagara tea. Sadajana geus pada narampa soerat pangwalon ti pĕrĕboe Linglang Boeana, oengĕlna geus pada ngartos moen eta radja bade ngadĕgkeun saembara.

Para radja sadajana sami pada boengah hate, sabab lamoen hĕnteu dikitoekeun, tangtoe sami sisirikan.

Gantjangna tjarita, radja-radja anoe toedjoeh nagara geus pada marĕpĕk balad, sarta tĕroes masing-masing ngadjoegdjoeg ka nagara Linglang boeana.

Sadongkapna geus pada marasanggrahan di sirah nagara.

Enggal bae, pĕrĕboe ratoe nimbalan ka raden patih miwarang ngoempoelkeun bala tantara.

Para boepati, pramantri saraoeh para ponggawa geus pada koempoel sadajana.

Sanggeus koempoel, ladjĕng miwarang nabeuh tanggara. nakol bĕnde di aloen-aloen ngoearkeun saembara tea.

Barang isoekna, dĕr pesta; njeungeut mariĕm tangara mangkat saembara.

Para radja geus prak pada marĕntangkeun panahna kana manoek titiran bodas noe aja di loehoer tjaringin koeroeng.

Sigeug anoe keur rame saembara.

Katjaritakeun Ki Miskin.

Barang kira-kira geus tĕngah peuting, manehna toeroen ka boeroean njampeurkeun monjetna bari ngomong, pokna: „sakadang monjet, koemaha ajeuna? Oerang geus nĕpi kana woekoena, karĕp koela isoekan hajang miloe asoep kana balabar kawat reudjeung saembara tea; koemaha, sanggoep sampean?” [ 80 ]Djawab monjet: „ih, montong soesah, keun bae koemaha kaoela. Mangke, lamoen sampean keur mĕntang, kaoela rek naek kana tangkal tjaringin deukeut eta manoek, djamparingna koe kaoela rek disanggap, ditjotjogkeun kana mata manoek. Tapi djamparing andjeun koedoe ditjirian, soepaja kaoela awas djeung soepaja oelah pahili.”

Tjek Ki Miskin: „noehoen atoeh ari kitoe mah, tapi koela masih soesah keneh, sabab tatjan aja panahna.”

Tjarek monjet: „hih, tahi tjeuli katjang damen, gampang teuing sakitoe-kitoe bae mah. Ajeuna dagoan koe sampean sakeudeung, kaoela rek njokot heula panah ama, djimat nagara; kaoela geh mo lila.”

Barang geus ngomong kitoe, monjet toeloej loempat.

Hĕnteu lila, kira-kira sadjongdjongan, geus datang deui mawa panah katoet djamparingna ngan hidji; sok dipasrahkeun ka Ki Miskin.

Ari ĕnggeus braj beurang, Ki Miskin bebedja ka indoeng poeloengna moen rek laladjo saembara.

Tjek Nji randa kolot: „hade rek laladjo saembara mah, didoa’keun pisan koe ĕma masing beunang, sabab lamoen agoes teu meunang, mangke tangtoe oerang dihoekoem koe radja.”

Djawab Ki Miskin: „nja, menta doa’na ĕma bae, moega-moega masing meunang, oelah datang ka loepoet.”

Bari toeloej manehna indit djeung monjetna tea.

Gantjangna tjarita, Ki Miskin geus prak miloe kana balabar saembara.

Dĕmi para radja noe toedjoeh nagara tea, teu aja noe bisa meunangkeun kana manoek titiran tea, mĕntangna taja noe keuna wantoening manoek djimat, toeroeg-toeroeg Iain pidjodjoeunana ka poetri.

Enggalna, barang Ki Miskin keur mĕntang panahna, teu kanjahoan koe noe sedjen, terekel bae monjet teh naek; geus aja di loehoer tangkal tjaringin, tjitjing di toekangeun koeroeng manoek tea, tapi teu aja noe bisa ningal, kawantoe monjet siloeman. [ 81 ]Barang bĕlĕsat djamparing Ki Miskin ka loehoer, disanggap koe monjet, tĕroes ditjotjogkeun kana mata manoek tea; geus kapanggang doeanana.

Geus kitoe, katingali koe pĕrĕboe ratoe sarĕng garwa, poetrana ti papanggoengan saraoeh paraponggawa, tetela manoekna ĕnggeus kapanggang koe djamparing, ngan tatjan sidik anoe gadoeh djamparingna.

Ti dinja gĕr bae pada saroerak, sadajana balad-balad rame katjida mani eundeur sanagara.

Ari pangira wadia balad sadaja djamparingna para radja noe keuna kana manoek teh.

Ana disidikkeun koe para radja raoeh pĕrĕboe ratoe saponggawa, bĕt mana horeng djamparingna Ki Miskin noe mĕnĕran kana panon manoek teh.

Di dinja para radja noe toedjoeh teh, pada kawiwirangan kabeh, tĕroes maloendoer harita ti medan saembara maroelih ka pasanggrahan.

Katjaritakeun Ki Miskin harita keneh disaoer koe pĕrĕboe ratoe; diïringkeun koe patih, para ponggawa, dideuheusan ka pajoeneun ratoe.

Lahir ratoe: „ieu noe meunangkeun manoek titiran bodas teh, saha ngaran maneh, djeung ti mana nja asal, bĕt datang ka bisa meunangkeun titiran djimat nagara? Tjoba, maneh geura nĕrangkeun, hajang oeninga.”

Djawab Ki Miskin: „soemoehoen, ari asal djisim abdi rorompok ti pagoenoengan, doepi ngaran katĕlah Ki Miskin, anak Nji randa kolot.”

Lahir radja: „hade pisan, ajeuna, da geus milik awak maneh, koedoe djodo djeung nji poetri, tapi kami mo waka wani ngawinkeun, Iamoen tatjan boekti mah sapamentana anak kami, nja eta hajang nagara katoet eusina. Koemala, maneh sanggoep ta hĕnteu?”

Djawab Ki Miskin: „moegi njoehoenkeun djiadna dampal goesti bae. Djisim abdi ajeuna bade njoehoenkeun widi moelang heula, margi teu atjan sajagi.”

Lahir ratoe: „hade, bral, geura moelang.” [ 82 ]Sanggeusna oendjoekan, tĕroes Ki Miskin moelang.

Barang datang ka imahna, prak bebedja ka indoeng poeloengna moen saembarana meunang, sĕrta katampi koe radja.

Nji randa kolot atoheun pisan, soekana kabina-bina, omongna: „hĕnteu njana ngabogaän anak sakti.”

Ti dinja Ki Miskin toeloej toeroen ka boeroean bari mawa waloeh djeung samangka tea; prak dibeulah.

Ana braj waloeh ditarok, bĕt teu kanjahoan deui, Ki Miskin djeung indoengna geus aja di djĕro gĕdong anoe sakitoe aloesna djeung agrengna kawas gĕdong karadjaän.

Seug samangkana dibeulah deui.

Ana braj samangka ditarok, bĕt teu kanjahoan deui, ĕnggeus eujeub gĕdong teh pinoeh koe doenja barana, sapangeusi imah, tatangga soemawonna djalma-djalma pasoeliwĕr pangiling gisik anoe asoep noe ka loear rame di djĕro gĕdong. Boeroeanana dikeusik koe roepa-roepa pĕrmata; djalan gĕde kitoe deui geus sajagi sapamoendoetna nji poetri tĕroes ka aloen-aloen nagara Linglang boeana.

Ki Miskin, barang ningal geus sadia, gantjang bae njokot panganggona karadjaän.

Prak dianggo, geus tjakĕp sĕrta soeroep sapĕrti radja bae.

Nji randa kolot pou kitoe deui; ĕnggeus disalin pakean, salin roepa, ngora deui kos poetri parawan bae; asal peot djadi peungkeur deui.

Barang geus kitoe, Ki Miskin njaoer ka monjet nitah ngoempoelkeun ponggawa, balad-baladna.

Sanggeus karoempoel sadajana, ladjĕng ngalandi ngaran koe andjeun saoerna: „ajeuna kami saksian koe sarerea, ieu nagara dingaranan nagri babakan Kalinglang, dĕmi kami anoe boga nagara, ngaran pĕrĕboe Mangkoening rat, ari ĕma, eta indoeng poeloeng kami, ditĕlahkeun iboe ratoe, nja eta kami poetrana koedoe njaho sarerea.”

„Ari ieu doeloer kami, njeta monjet soesoeroepan, koe kami ditĕtĕpkeun djĕnĕng papatih di nagara ieu, dĕmi djĕnĕnganana koedoe nĕlah Patih Kalangan kanoman; sakitoe bentara kami ka sarerea.” [ 83 ]Sanggeus radjana nimbalan kitoe, gĕr bae pada saroerak, sami-sami ngiring soeka sadajana.

Barang geus pĕpĕk sadia, enggal bae, radja anom miwarangan ka den patih, njaoeran opat ponggawa noe baris ngabantoen sĕrat ka ratoe sĕpoeh Linglang boeana, oengĕl ing sĕrat ngoeningakeun moen geus sajagi sapamoendoet agan poetri.

Gantjangna tjarita, geus sadia sĕratna djeung opat ponggawa noe baris miang; tĕroes ditimbalan, indit harita ngadeuheus ka ratoe sĕpoeh,

Hénteu ditjatoer di djalanna ; katjarios opat ponggawa, geus dongkap ka padaléman, téroes ngadenheus ka ratoe sĕpoeh.

Ratoe Linglang boeana, barang nampi sĕrat ti ratoe anom, oengĕlna geus kamanah, kaget pisan ningal salĕbĕt ing sĕrat, Iahirna: „hanteu njana soegan teh miskin loemajan, malarat noe saĕnjana, mana horeng miskin soteh sasanglingan mararat noe poepoelasan.”

Njatana mah sangratoe anoe keur njamoer, dewata noe njamar akal, nja noehoen sarewoe bae si njai aja milikna meunangkeun pitjarogeëun anoe sakitoe saktina leuih ti radja noe rea.

Enggalna, harita keneh ratoe sĕpoeh geus miwarang njajagikeun kareta baris toengganganeun saraoeh para ponggawa, pramantri koedoe ngiring sadajana bade djĕngkar ka nagri babakan Kalinglang.

Sanggeusna sadia kareta baris titihan, ratoe ladjĕng djĕngkar harita; paramantri djeung ponggawa sadaja taroenggang koeda.

Raden patih, anoe djadi palatoekna, nitih koeda daoek roejoeng, angkat pajoenan, kareta diaping opat bopati djeung dalapan oepatjara.

Teu ditjatoer di djalanna; geus soemping ka nagri babakan Kalinglang.

Barang soemping ratoe sepoeh, raka-rai kalangkoeng kaget ningali kasaktianana radja anom sagala ĕnggeus sajagi taja pisan kakoerangan. [ 84 ]Ratoe anom barang ret ningali, ngagenat loengsoer saraoeh djeung papatihna ka latar mapag ka pamĕrtoeaeun, ladjĕng njioem ka dampal sampeanana.

Waktoe harita, ratoe sĕpoeh sagarwa-poetra tĕtĕp di babakan nagri Kalinglang, keur meudjeuhna boengah manah sadajana.

Hanteu ditjarios pandjang dina hal karameanana.

Ladjĕng bae poetri ditikahkeun ka ratoe anom, pesta mo liwat ti kitoe bae sakoemaha adat biasa, tata nagara, aloer ka poengkoer, loeang ka toekang.

Di dinja ratoe sĕpoeh tĕroes masrahkeun nagara Linglang boeana katoet taloekan-taloekan sadaja sakoer erehan andjeunna. Prak diĕmbarkeun sakali ka sakabeh wadia balad, soepaja pada njaho sarta tĕroes koemaoela sapĕrti ka andjeunna.

Dĕmi andjeunna aja manah hojong ngabagawan bae tina roemaos geus sĕpuh bari ngadjoengdjoeng ngadjaring poetra djeung mantoe.

Toenda tjarios anoe keur saroeka manah mĕrtoea sarĕng mantoena anoe aja di karaton.

Katjarios para radja anoe toedjoeh nagara tea.

Sadaja pada badami-badami baris ngaroeroegan pĕrang, malah geus rĕmpoeg sadaja.

Dĕmi ngaroepatna kieu: „ajeuna orang oelah kapalang da baralik era, balad-balad geus sadia, isoekan mah leuih hade, oerang bĕrĕg roeroegan pĕrang bae ka nagarana, sabab eta ratoe paloeng, hĕnteu boga wiwaha, hanteu aja tĕmah wadina boga anak poetri geulis dibikeun ka djalma mararat hanteu aja kagablĕgna. Ajeuna mah teu poeas bae lamoen tatjan dibasmi kabeh mah ditjatjar bolang.”

Sanggeus rĕmpoeg badamina, isoekna dĕr mapak bala toedjoeh nagara dihidjikeun.

Nagara Linglang boeana geus kakĕpoeng koe balad toedjoeh nagara.

Katjarios ratoe anom Mangkoening rat geus miwarang ka patih Kalangan kanoman njadiakeun bala tantara, tapi teu sakoemaha lobana wantoening balad tjiptaän. [ 85 ]Gantjangna, raden patih ngaleungit ti nagara ngadjoegdjoeg ka ramana, menta toeloeng soepaja disajagikeun balad-balad siloeman djeung sasatoan.

Enggalna, ĕnggeus sadia; baladna mangjoeta-joeta, teu aja bilanganana tina kareaänana.

Harita geus baroeboel, koempoel kabeh ka nagara Linglang boeana.

Kotjapkeun isoekna gĕr ngadĕgkeun tangara pĕrang; moesoeh sarĕng lawan sami wanina, geus pada ngadĕg bandera beureum.

Gĕr pĕrang rame katjida; balad pada balad geus tjampoeh, taja hinggana.

Dĕmi palatoekna djago pĕrang ti nagri Kalinglang, nja eta anoe gagah pĕrĕkosa raden patih Kalangan kanoman, monjet soesoeroepan tea.

Katjarios ramena pĕrang.

Lawan raoeh moesoeh, balad mangjoeta-joeta, mangkĕti-kĕti geus tjampoeh, teu poegoeh atoeranana.

Moenggah ear:

soerakna ambal-ambalan,
bĕdilna kawas borondong,
mariĕm taja hinggana,
awang-awang moenggah poëk,
poëk koe haseup bĕdilna,
boemi alam asa gendjlong,
koe mariĕm djeung noe soerak.

Medan pĕrang geus djadi sagara gĕtih tina loba anoe tatoe djeung paëh.

Kakotjapkeun bala-bala radja noe toedjoeh nagara ampir seëp, tinggal satĕngahna deui, sabab rea anoe paëh djeung noe maboer.

Ari balad ratoe anom sasiki taja noe mati, kawantoe balad tjiptaän djeung siloeman, ngan loba noe paëh teh balad sasatoan tjandakna patih Kalangan kanoman. [ 86 ]Enggalna tjarita, kabeh balad geus pada paloendoerkeun, radja-radja noe toedjoeh geus lĕbĕt ka medan pĕrang.

Hĕnteu lila dipadjoe koe raden patih. Dĕr pĕrang tandingan patih Kalangan koe toedjoeh radja.

Katingali koe ratoe anom tĕroes mĕntangkean panahna.

Barang sĕmproeng teu kanjahoan koe para radja anoe toedjoeh geus tingkaringkoek keuna koe panah rante.

Sanggeus kitoe, para radja tararobat, pokna: „nĕda hiroep bae, sĕdja soedjoed koemaoela.”

Ti dinja toeloej diboekaän rantena, sarta eta para radja ditjandak moelih koe ratoe anom ka pasanggrahan, diiringkeun koe patih Kalangan.

Barang soemping ka pasanggrahan kaoeninga koe ratoe sĕpoeh, kalangkoeng boengah manehna rehna para radja noe sakitoe pĕrĕkosana geus pada taloek sadajana.

Ari wĕngina dĕr pesta, saroekan-soekan mestakeun meunang pĕrangna djeung ngadjamoe bojongan toedjoeh nagara.

Dĕmi isoekna para radja geus kaidinan, pada maroelih masing-masing sanagara, ngan saban taoen koedoe lapor oepĕti ka nagara Linglang boeana.

Sanggeus bĕrĕs pĕpĕrangan sarĕng pesta, dĕmi ratoe sĕpoeh moelih ka karaton heubeul tĕtĕp ngabagawan.

Ari mantoe, ratoe anom, raoeh garwa tĕtĕpna di nagri Kalinglang kota anjar, ari karaton heubeul mah ngan dipake ngendjeng bae minangkana dajeuh kolot. [ 125 ]

Sakadang monjet djeung koeja.


Monjet njaloekan ka koeja, basana: „sakadang koeja, keur naon dia?”

Koeja nembalan: „hoek, teu, keur maling djahe Nji Saridjah”.

Tjek monjet: „menta aing?”

Tjek koeja: „ĕmboeng, dja dia mah sok berek”.

Tjek monjet: „mohal”.

Ladjoe monjet njampeurkeun koeja ka kĕbon djahe pipir imah Nji Saridjah. Njampak koeja keur ngahakan djahe, monjet miloe ngakan; ladaeun matana roendat-rindat bari tjetjerewetan: „seuhah, seuhah”.

Tjek koeja: „oelah gandeng, bisi kadenge koe noe boga”.

Monjet beuki tabĕng bae tjetjerewetanana saking koe lada.

Teu kĕbĕl datang noe boga kĕbon.

Monjet loempat naek kana tatangkalan, djadi teu katewak.

Tinggal koeja sorangan, soesoeroengkoejan, deuk ngaliang teu kaboro, naek teu bisa, toengtoengna katewak. Dibawa ka pawon, dikoeroengan koe bakoel.

Tjek Nji Saridjah ka anakma: „geura noetoe, djaga isoek ngedjo noe gĕde, oerang ngasakan lada koeja”.

Kadenge koe koeja, tjek pikiran koeja, lamoen kieu galagatna mah, aing ieu tangtoe paeh.

Barang magrib monjet njampeurkeun ka koeja.

Ngomong ti loear gĕdeg pawon, tjek monjet: „keur naon, kadang koeja?”

Tjek koeja: „aing mah deuk dikawinkeun djeung anak Niji Saridjah, djaga isoek deuk diarak, dirame-rame; kiwari keur noetoe”. [ 126 ]Tjek monjet: „ah, lamoen kitoe mah, anggoer aing bae”.

Tjek koeja: „ĕmboeng”.

Tjek monjet: „poegoeh dia mah goreng, teu parigĕl djadi panganten, ari aing mah tjakĕp lĕndjang”.

Tjek koeja: „hade geh ari kitoe mah, tapi aing balangkeun heula ka ditoe, ka roejoek noe djaoeh”.

Ladjoe koeja ditjokot koe monjet tina koeroengan; dibalangkeun ka roejoek, monjet ngoeroengan maneh koe bakoel.

Barang wajah isa, Nji Saridjah ngomong ka anakna nitah noöng, koeja bisi leupas.

Ari diboekakeun bakoelna, aja monjet keur tanggĕloek, tjek anak Nji Saridjah: „amboe, koeja mah euweuh, tajohna ngaliang ka djĕro taneuh, aja ogeh monjet ngadoengkoek”.

Tjek Nji Saridjah: „los teuing, monjet ogeh ngeunah diasakan lada, djaga isoek bae peuntjit”.

Tjek pikiran monjet: „lamoen kieu mah, aing dilĕbon koe sakadang koeja, rasakeun dia, sakadang koeja, lamoen aing bisa ka loear, modar dia koe aing”.

Sapeuting monjet teu heës mikiran koemaha akalna soepaja salamĕt.

Ti dinja mĕndak akal, monjet ngĕdĕng nangkarak papaëhanan, matana diroeboeng sireum ateul.

Barang isoek-isoek ditoöng koe noe boga imah, monjet geus nangkarak, tjek anak Nji Saridjah: „amboe, monjet paëh, geus djĕngkĕng, matana diroeboeng sireum ateul”.

Tjek Nji Saridjah: „ari kitoe mah, balangkeun bae ka roejoek”.

Ladjoe dibalangkeun; barang dibalangkeun, monjet ngĕdjat naek kana tangkal kajoe bari soesoerakan, tjek monjet: „manoesa beunang dibobodo”.

Tjek Nji Saridjah: „pĕrtjaja dia monjet, moen katewak sabalen deui, dia dipeuntjit”.

Ti dinja monjet njiar sakadang koeja panasaran hajang malĕs.

Monjet tjatjarawakan sapandjang-pandjang hoema njĕloekan: „sakadang koeja”. [ 127 ]Koe koeja ditembalan; tjek koeja: „hoek.”

Tjek monjet: „keur naon, sakadang koeja.”

Djawab koeja: „keur mĕlak tjaoe.”

Tjek monjet: „aing iloe.”

Tjek koeja: „hade.”

Ti dinja koeja djeung monjet pada mĕlak tjaoe moeli. Ari koeja mah mĕlak tangkalna, tapi ari monjet mĕlak djantoengna, padjar maneh pangtereh ka ala boeahna.

Wantoening djantoeng tambah poë beuki peot, datang ka garing, ari pĕlak koeja mah, beuki montok bae nĕpi ka boeahan.

Tjek monjet: „kadang koeja, tjaoe aing mah beuki joejoek bae.”

Tjek koeja: „masa bodo.”

Katjaritakeun, tjaoe koeja geus asak di tangkal, tjek monjet: „hajoe, oerang oendoeh.”

Tjek koeja: „hajoe.”

Tjek monjet: „aing noe naek dja dia mah teu bisa naek.”

Tjek koeja: „hade, ieu tjajoet tjangklek geusan wadah tjaoe.”

Eta tjajoet djoeboerna koe koeja dibolongan, djadi boeah tjaoena kabeh molos ragragan ka handap, seubeuheun koeja ngakanan tjaoe.

Ari tjek pikiran monjet: „di mana tjajoetna geus pinoeh, deuk dibawa ngĕdjat naek kana tatangkalan.” Bĕt sih, barang diïlikan, tjajoetna kosong.

Monjet poporosod toeroen maraheun ka koeja hanteu kabagian tjaoe sahidji-hidji atjan, tapi barang datang ka handap, tjaoena geus beak, koejana teu aja. Ditjaloekan koe monjet, horeng koeja mah geus ngaliang ka djĕro taneuh.

Tjek monjet: „ati-ati, moen kapĕndak sakali deui, koe aing dipaehan.”

Hidji mangsa, koeja keur ngagapoej handapeun tangkal tjamara; dina dahan eta tjamara aja imah tawoean ngagajot sagĕde boboko. [ 128 ]Tjek monjet: „dja ieu kadang koeja, ati-ati dia, bareto boga dosa ka aing.”

Tjek koeja: „oelah berek, ning keur titah noenggoean goöngna ki Batara Goeroe, itoe ngagajot dina dahan tjamara.”

Tjek monjet: „tjoba koe aing deuk ditabeuh.”

Tjek koeja: „oelah, bisi aing ditjarekan. Lamoen koe dia deuk ditabeuh, aing heula balangkeun ka leuwi.”

Ti dinja, koeja dibalangkeun ka leuwi.

Ladjoe imah tawoean koe monjet ditakol koe batoe, datang ka rĕmoek imah tawoean mana paboerial moeoek njeureudan kana salĕga awak monjet.

Monjet adoeg ladjĕr djoedjoengkĕlan goegoelingan bari tjetjerewetan njĕrieun diseureud tawoean awakna bareuh.

Monjet teu kira-kira maraheunana ka koeja.

Tjek monjet: „moen kapanggih sakali ieu, tangtoe koeja modar.”

Dina hidji mangsa koeja keur njoeling dina handapeun tangkal loa; sorana ngeunaheun teu kira-kira, ari lagoena tjara dongeng.

Kieu soelingna:

„taleotoeng, taleotoeng,
taleoting toelang maoeng,
ditjoktjokan koe tjaladi,
diliangan koe bangbara,
dipasieup koe sireupeun,
heothioeng, heothioeng.”

Kadenge koe monjet wani dengdek-dengdek bawaning ngeunaheun,

Tjek monjet: „aing ngindjeum.”

Tjek koeja: „ĕmboeng, bisi dibawa loempat.”

Tjek monjet: „moen teu pĕrtjaja mah, tjĕkĕlan boentoet aing.”

Ti dinja soelingna koe koeja dibikeun, boentoetna ditjĕkĕlan. Tapi monjet mah hanteu bisa njoeling tjara koeja, kabisana ngan totet, totet bae. [ 129 ]Monjet mintĕran ngakoe njĕri boentoet oelah ditjĕkĕlan pageuh.

Barang dikĕndoran, monjet loempat naek kana tangkal kajoe bari njoeling: totet, totet.

Ti dinja koeja tjeurik.

Koeja menta toeloeng ka keujeup pangnjokotkeon soelingna.

Tjek koeja: „lamoen beunang, ĕngke kadang keujeup dioepahan kĕbo sakandang”.

Koe keujeup disanggoepan.

Ti dinja keujeup lalaoenan ngarajap naek kana tangkal. Koe monjet teu kadeuleu. Monjet ditjapit kontolna koe keujeup djodjolotoan[2] nĕpi ka soelingna ragrag ka handap.

Ladjoe ditjokot koe koeja.

Keujeup dioepah kĕbo sakandang.

Barang kĕbona ditoengtoen koe keujeup, keujeup katintjak tonggongna koe kĕbo datang ka kĕntob.

Noe mantak ajeuna dina tonggong keujeup aja lĕgok diga tapak soekoe kĕbo.



  1. Anoe matak nĕpi ka kiwari peutjang mah arang noe oelin ka sisi tjai gĕde, sabab dikalakieun koe boehaja; nja eta lantaran manehna ngabobodo ka boehaja djadi patjadoeanana njaba ka sisi tjai gĕde.
  2. Met rukken trekken (eigenlijk stuiptrekken).