Tanggĕransche Volkstaal/Peucang jeung Landak

Ti Wikipabukon
Tanggĕransche Volkstaal
Ki Gandul Ki Marsim jeung Minantuna Ki Moksel Ki Jadul jeung Ki Jasa Peucang jeung Landak Ki Miskin Jadi Ratu Sakadang Monyet jeung Kuya Kabeh


[ 58 ]

5. Peutjang djeung Landak.

Katjaritakeun dina hidji goenoeng aja hidji ratoe landak boga anak parawan sahidji. [ 59 ]Mangsa harita koe indoeng-bapana rek dilakiankeun ka bangsana deui, ngaranna Landak sarab.

Barang piïsoekaneun rek dipangantenkeun, datang hidji peutjang ngaganggoe ka pipanganteneun, dipaling koe peutjang, dibawa ka noe soeni, datang ka beunang diparawanan.

Bapana djeung piminantoeëunana ngarambĕk ka peutjang.

Gĕr pada ngĕpoeng, pada ngoedag djeung sabatoer-batoerna; si peutjang rek pada maehan.

Si peutjang sieuneun, loempat sakaloempat-lampet; meh kasoesoel koe landak.

Tina bakating koe sieun, si peutjang loempatna, katalandjoer bras bae ka sisi waloengan gĕde, anoe loba boehajana.

Ana datang ka dinja, tjampĕgo bae ngahoelĕng bawaning tjape. Arek meuntas, hanteu bisa; ari rek balik deui, sieun koe landak.

Barang keur mikiran pidjalaneun, pĕntjĕngkoel boehaja, moentjoel di hareupeun manehna pisan.

Si peutjang kaget djeung goemĕtĕr mani noroktok, ngadegdeg reuas nendjo boehaja gĕdena kabina-bina, tjalawak rek njantok ka manehna.

Si peutjang ngomong bari njĕntak pokna: „hih, boehaja, maneh oelah njingsieunan ka aing, mangke rek dibere kahakanan noe matak seubeuh koe kami. Ajeuna soekoer kabina-bina kami bisa papanggih djeung maneh, eukeur mah didago-dago ti tadi.”

Boehaja ngadjawab basana: „naha sia ngomong kitoe, arek naon ngadago-dago ka aing, da aing mah di dieu soteh keur neangan hakaneun.”

„Malah ajeuna aing atoh pisan, lapar ti kamari hajang barang hakan, teu manggih anak monjet-monjet atjan hakaneun. Bĕt kabĕnĕran aja maneh, ajeuna maneh tangtoe dihakan koe aing, geus nĕpi ka djangdji manĕh koedoe djadi milik aing.”

Peutjang ngadjawab sĕmoe manis djeung ngolo-ngolo pokna: „ih, mas boehaja, lain kitoe, koedoe manahan heula [ 60 ]koe andjeun noe leuih pandjang, oepama sampean dahar kaoela, dirasa-rasa noe matak warĕg karana awak kaoela teh sakieu leutikna, boro-boro bisa mahi djeung keur batoer- batoer sampean, andjeun ogeh hamo warĕg, tangtoe hajang keneh.”

„Ari noe matak kaoela ka dieu, satĕmĕn-tĕmĕnna dioetoes koe kangdjĕng radja nja eta dipiwarang ngoempoelkeun sakoelawarga sabatoer-batoer sampean koedoe beunang itoenganana. Sabaraha reana boehaja noe aja di lĕbah dieu, koe kaoela rek dibilang, mangke lamoen geus kaitoeng, koe kangdjĕng radja bakal dibagi dahareun noe boeat tjoekoep matak seubeuh ka sampean djeung ka batoer-batoer sampean.”

„Malah ajeuna ogeh, kangdjĕng radja ker miwarang meuntjitan sapi djeung kĕbo, nja eta keur baris parab sampean djeung sabatoer-batoer sampean.”

„Ajeuna mah, anggoer geura prak koempoelkeun sabatoer-batoer sakoer noe aja di lĕbah dieu, koe kami arek dibilang laporkeuneun ka radja, da kami teu meunang lila di dieu.”

Djawab boehaja: „ah, naha ĕnja, mas peutjang, lamoen estoe mah sasaoer sampean kitoe, kaoela atoh katjida, malah ajeuna pisan koe kaoela rek dikoempoelkeun batoer-batoer soepaja djogo kabeh di hareupeun sampean.”

Tjarekna peutjang: „hih, kami mah tara bohong kakapeungan, hamo ĕnja ngabobodo ka maneh.”

Sanggeusna kitoe, boehaja pĕrtjajaeun pisan ka si peutjang, samaroekna ĕnja.

Ti dinja lĕkĕtĕp bae si boehaja teuleum.

Hanteu koengsi lila geus tingparĕntjĕngkoel boehaja, sapirang-pirang koempoel ngaberes di hareupeun si peutjang.

Tjarek si peutjang: „mangka beres djadjaranana, sing lĕmpĕng nĕpi ka sisi ti ditoe, oelah anggaresol, koe kami arek dibilang.”

Ti dinja, tjleg si peutjang atjleg-atjlegan laloentjatan dina hoeloe boehaja bari poera-poera milang pokna: „satoe, doea, tiga, ampat, lima,” satoeloejna. [ 61 ]Barang geus nĕpi ka noe pangsisina, djlĕng tĕrĕlĕng bae si peutjang loempat barina soesoerakan soesoembar pokna: „hojah, hojah si boehaja beunang dibobodo koe aing, aing mah milang soteh hajang meuntas.”

Boehaja tingkalĕtjĕboer, arambĕkeun dibobodo koe si peutjang aroepatanana kieu: „keun bae sia dikalakkeun koe aing, diarah saooemoer-oemoer sapiriroempi, saänak intjoe sia.”[1]

Ti dinja si peutjang tĕroes loempat ka leuweung; geus salamĕt tina bahlana ti boehaja djeung landak.

Barang nĕpi ka leuweung, prak manehanana ngeureunan tjape di gigireun tjatang gĕde.

Dĕmi eta tjatang di tĕngah-tĕngahna gorowong, aja liangan samontjor peutjang.

Ari manehna keur njarande ngioehan kana tjatang, bĕt nendjo anak maoeng doea lalĕntik keneh noe keur aroelin: koe indoengna ditinggalkeun keur balangsiar.

Toeloej koe si peutjang disampeurkeun anak maoeng teh bari ditanja pokna: „keur naon sia, baroedak, di dinja, ka mana indoeng sia?”

Djawab anak maoeng: „teu sing, kami mah keur oelin bae, naha, rek naon nanjakeun indoeng kami?”

Djawab si peutjang: „hanteu, tadina, lamoen aja rek ditjawenean koe aing.”

Anak maoeng teh arambĕkeun ka si peutjang, tapi teu waranieun ngalawan wantoening laleutik keneh.

Ari omongna: „hag, sia, mangke lamoen indoeng aing geus datang, rek dibedjakeun.”

Si peutjang harita ngaleos ka leuweung.

Hanten koengsi lila, torodjol indoengna maoeng teh datang njampeurkeun ka anakna bari rek njoesoean.

Anak maoeng aralewoh bebedja ka indoengna moen aja [ 62 ]peutjang rek njaloentang, rek ngoenghak ka indoengna.

Indoeng maoeng ambĕkeun katjida ka si peutjang bari ngatak-ngatakkeun pokna: „keun sia, mangke, lamoen datang deui, koe aing rek dikĕrĕwĕs, dihakan; ajeuna rek diïntip.”

Ti harita si peutjang ditoenggoe-toenggoe koe indoeng maoeng, tapi teu datang.

Leos deui bae indoeng maoeng teh, njaba deui njiar hakaneun.

Hĕnteu lila, djol si peutjang datang deui njampeurkeun ka anak maoeng; tĕroes nanja deui kawas noe geus kalampahan kamarina.

Didjawab koe anak maoeng moen indoengna teu aja, keur balangsiar.

Si peutjang nja kitoe deui bae omongna: „lamoen aja, indoeng sia rek dipake pamadjikan koe aing.”

Anak maoeng beuki poesing bae, ambĕkeun ngan teu wani ngalawan.

Si peutjang geus ngaleos, goeroedag indoengna datang; baroedakna barebedja deui sĕmoe arambĕkeun pisan.

Indoengna nja kitoe deui.

Sanggeusna kabedjaän koe anakna mani tikakĕrĕkĕt, hoentoena garĕgĕteun bawaning keuheul ambĕkna ka si peutjang, mani hajang ngĕrĕwĕs ngahakan.

Isoekna manehna teu njaba deui, sapoë tjitjing dina roengkoen ngintip si peutjang.

Barang kira-kira tĕngah poë, datang sipeutjang njampeurkeun deui ka anak maoeng pok deui kos sasari.

Ari tjek anak maoeng: „euweuh ĕma, keur balangsiar.”

Tjek si peutjang: „handjakal, oenggal-oenggal aing ka dieu sok njampak soewoeng; moen aja mah, koe aing rek ditanjaän, rek dibawa kana paroengpoeng.”

Barang si peutjang keur ngomong kitoe, didodoho koe indoeng maoeng bari ditĕgor pokna: „hajoh, sia beunang koe aing, ajeuna mah rek dikĕrĕwĕs.” [ 63 ]Si peutjang pintĕr ngĕdjatna, tĕroes loempat; dioedag koe maoeng dibĕbĕrik.

Barang rek kasoesoel, boeloeboes manehna asoep kana gowok liang tjatang tea, koe maoeng toeloej dikorowot kana liangna, tapi wĕleh teu bisa asoep, ngan sasĕmĕt hoeloena djeung leungeunna asoep ka djĕro liang teh, ari boedjoerna mah maoeng teh nonggeng ka loear. Geus manehna oekal-oekel, rek asoep teu bisa sĕrĕg: rek bidjil, hese, kawantoe leutik liangna.

Si peutjang gantjang loempat ka loear ti toengtoeng tjatang wantoening liangna tĕroes.

Toeloej moeroe malikan ti toekangeun maoeng, prak ditĕmah, datang ka beunangna.

Sanggeus kitoe, maoeng teh ngahoelĕng ngaraos lĕsoe; dĕmi si peutjang sanggeusna nĕmah, loempat deui ka leuweung.

Ana bidjil maoeng tina gowok tjatang, loeak-lieuk nendjoan si peutjang ka gigir ka toekang, tapi geus teu aja.

Toeloej bae balik deui njamperkeun ka anakna.

Ari tjek anakna: „tah geuning ĕma geus datang. Mana, ĕma, peutjang teh, beunang? kaoela menta hoeloena.”

Indoeng maoeng ngadjawab, pokna: „his, baroedak, oelah kitoe, pamali; oelah sok poetjang-peutjang, da peutjang bapa eje tjia.”

Anakna sareuri; teu bisa pandjang tjarita sieuneun indoengna eraeun.

Djadi ieu tjarita seëp.

Si maoeng tĕtĕp deui teu aja ambĕkna, si peutjang salamĕt tina bahlana, sĕnang tjitjingna di leuweung, teu aja karingrang kasieun.

Hartina: eta peutjang beunang ogeh dipitjonto koe djĕlĕma dina kapintĕranana, sabab bisa njieun akal pakeun kasalamĕtan dirina, nĕpi ka bisa itjal tina bahlana ti landak, ti boehaja djeung ti maoeng.

  1. Anoe matak nĕpi ka kiwari peutjang mah arang noe oelin ka sisi tjai gĕde, sabab dikalakieun koe boehaja; nja eta lantaran manehna ngabobodo ka boehaja djadi patjadoeanana njaba ka sisi tjai gĕde.