Badoejsche Pantoenverhalen/Lalakon Bima Wajang
[ 51 ]
VIII.
LALAKON BIMA WAJANG.
______
Di Pakoean Barat aja hidji menak djĕnĕnganana Bima Wajang. Katjaritakeun Bima Wajang, salin pikir, pindah nijat, hajang kagoengan istri ka oerang Pasir Batang Lĕmboer Girang, noe djĕnĕngan Ratoe Manik Nanding Leuwi, saderekna Raden Lambang Sari.
Toeloej Bima Wajang matoer ka tetehna, noe djĕnĕngan njai Boengah Larang: „Owah, soehoenan atjeuk, girang adi nĕda amit paidin, pandjang panghampoera, girang adi hajang njaba ngalalana ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang. Bedjana di Pasir Batang Lĕmboer Girang aja istri geulis, djĕnĕnganana Ratoe Manik Nanding Leuwi”. Tjik njai Boengah Larang: „Ideuh, girang adi, montong njaba, bisi aja noe nganiaja, ari hajang kagoengan istri mah, di Pakoean oge kapan loba noe geulis.”
Ari djawabna Bima Wajang: „Owah, soehoenan atjeuk, bĕnĕr oge noe geulis di dijeu loba, tapi girang adi hajang njijar sorangan.”
Saoerna njaï Boengah Larang: „Owah, girang adi, ari maksa bae mah rampes, tapi koedoe njandak pandakawan Mama Loerah, Koeda Pangĕmban djeung Gĕlap Njawang.”
Tidinja Bima Wajang bral angkat diiring koe teuloe pandakawan.
Barang datang ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang ladjoe masang tabe ka Ratoe Manik Nanding Leuwi. Omongna Ratoe Manik Nanding Leuwi: „Seuweu ratoe timana, sasab sempar kadijeu, sasara teu ari ari, bareto teu elok elok djeung naon pikĕrsaeun, noe mantak tjalik kadijeu?”
Tjik Bima Wajang: „Owah, indji, ari pikĕrsaeun mah nja aja pisan, lamoen sapoek reudjeung sĕpoeh, madak moepakat reudjeung baraja, soegan kĕrsa dikawoelaan koe oerang Pakoean Barat.” Djawabna Ratoe Manik Nanding Leuwi: „Owah, girang kaka, lamoen kitoe pikĕrsaeun mah, girang adi tatjan bisa noeroet saoer gantjang narimakeun, sabab kaka koela Raden Lambang Sari teu aja di boemi, eukeur tapa di toetoegan Goenoeng Poentang Simadjoeng[ 52 ]djang; kitoe oge ari tĕmĕn mah kĕntjĕng karep, gĕde tineung, hajang ka girang adi, rampes, tapi koedoe kĕrsa noenggoe datangna kaka koela balik ti patapaän. Djeung oelah tjitjing didijeu; koedoe njijeun bae pasanggrahan di sisi nagara, geusan tjitjing sakĕbĕl ngadagoan kaka Raden Lambang Sari, datang ti patapaän. Ari barang dahar mah, kadjeun, koe koela isoek sore dianteuran.”
Geus kitoe, bral Bima Wajang djeung pandakawan arangkat ka sisi nagara njijeun pasanggrahan. Toeloej Bima Wajang djeung pandakawan tjaritjing di pasanggrahan.
Katjaritakeun Ratoe Manik Nanding Leuwi oenggal isoek oenggal sore sok nganteuran ka pasanggrahan Bima Wajang, diiring koe ĕmban ĕmban.
Barang dina hidji poë Ratoe Manik Nanding Leuwi siram di tampijan, kataradjang tjaäh gĕde, laoer palid kabawa koe tjaäh. Toeloej ĕmban geuwat geuwat poepoelih ka Bima Wajang, jen Ratoe Manik Nanding Leuwi palid katjaähan.
Tidinja Bima Wajang njoesoel mapaj mapaj walangan; oenggal leuwi diteuleuman koe Bima Wajang djeung pandakawanana.
Barang datang ka leuwi Talaga Ĕmas, aja noe katendjo hoeroeng di djĕro leuwi; diteuleuman koe Bima Wajang. Ari tjĕg ditjĕkĕl, bĕnĕr Ratoe Manik Nanding Leuwi, tapi geus paeh. Toeloej didjampe bari didoedoet ramboetna sakoerĕn, dibeulitkeun kana indoeng soekoena; koredjat hoedang. Geus kitoe koe Bima Wajang Ratoe Manik Nanding Leuwi hĕnteu dibawa balik ka Pasir Batang Lĕmboer Girang, tapi dibawana ka patapaan kakana di toetoegan Goenoeng Poentang Simadjoengdjang. Bima Wajang matoer ka Raden Lambang Sari; pokna: „Owah, girang kaka, ijeu girang adi njerenkeun toewang saderek Ratoe Manik Nanding Leuwi. Ari noe mantak dibawa kadijeu, asalna palid ti tampijan, kataradjang tjaah, koe girang adi kapanggih ti leuwi Talaga Emas.”
Tjik Raden Lambang Sari: „Owah, girang adi, atoeh soekoer ari dipanjandakkeun mah.” Toeloej Ratoe Manik Nanding Leuwi, Bima Wajang djeung pandakawanana miloe tapa bae djeung Raden Lambang Sari.
Toenda heula njaritakeun noe keur tapa; njaritakeun radja di nagara Djadjar Wajang, djĕnĕngan Praboe Sakti Koesoemah, eukeur kasoesahan dipĕrangan koe radja ti nagara Madjapaït noe djĕnĕngan Raden Paksi Boemi.
Praboe Sakti Koesoemah meunang bedja, jen di toetoegan Goenoeng Poentang Simadjoengdjang aja noe keur tapa. [ 53 ] Toeloej Praboe Sakti Koesoemah njoeratan ka noe keur tapa, menta toeloeng. Ari basana soerat kijeu: Lamoen ratoe roekoen djeung doeloer, moepakat sama koela kadang, Praboe Sakti Koesoemah menta agoengna paraloen, hajang ditoeloeng hiroep koe noe keur tapa di toetoegan Goenoeng Poentang Simadjoengdjang, sabab ajeuna eukeur dipĕrangan koe Raden Paksi Boemi, radja ti Madjapaït.
Sanggeusna Raden Lambang Sari tamat matja soerat, teu tatapasini deui, ladjoe ngadjak ka Bima Wajang ka Ratoe Manik Nanding Leuwi angkat ka nagara Djadjar Wajang, dek noeloengan pĕrang, diïring koe Mama Loerah, Koeda Pangĕmban djeung koe Gĕlap Njawang. Barang saroemping ka nagara Djadjar Wajang, kasampak keur taroeng pĕrang Praboe Sakti Koesoemah djeung Raden Paksi Boemi.
Njaoer Raden Lambang Sari ka Bima Wajang: „Owah, girang adi, geura toeloengan itoe Praboe Sakti Koesoemah, geus pajah kadeuleuna koe girang kaka.”
Naradjang bae Bima Wajang, noebroek ka Raden Paksi Boemi; dĕr pĕrang tandingan. Silih banting, silih rĕngkas, silih soedoek koe doehoeng, silih pĕntoeng koe balijoeng. Golojoh Raden Paksi Boemi eleh, tapi hĕnteu paeh. Geus kitoe mah moepakat, beres deui di nagara Djadjar Wajang.
Matoer Praboe Sakti Koesoemah ka Raden Lambang Sari djeung ka Bima Wajang: „Koemaha, girang kaka, dek tĕtĕp didijeu atawa mohal?”
Djawabna Raden Lambang Sari: Kami mohal tĕtĕp didijeu, dek balik nikahkeun si indji djeung Bima Wajang.
Tidinja bral Raden Lambang Sari, Bima Wajang djeung Ratoe Manik Nanding Leuwi moelih ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, diïring koe Mama Loerah, Koeda Pangĕmban djeung koe Gĕlap Njawang.
Katjaritakeun di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang mimiti angkat karija, ngawinkeun Ratoe Manik Nanding Leuwi djeung Bima Wajang. Meuntjit moending toedjoeh likoer, meuntjit hajam salawe parandje eusina pada njalawe. Ngagoeroeh sora tatabeuhan; tjaloeng salawe rampasan, goöng salawe bangoenan, angkloeng salawe tatapan. Ngagĕdĕr di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang meunang dalapan poë dalapan peuting; ka salapanna boebaran.
Tĕtĕp Bima Wajang andĕg radja di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang; teu moelih deui ka nagarana.
______