Lompat ke isi

Badoejsche Pantoenverhalen/Lalakon Langga Sari

Ti Wikipabukon
Bagian-bagian Badoejsche Pantoenverhalen
Inleiding I. Lalakon Raden Tĕgal II. Lalakon Langga Sari III. Lalakon Paksi Kĕling IV. Lalakon Koeda Wangi V. Lalakon Panambang Sari VI. Lalakon Kidang Panandri VII. Lalakon Gadjah Loemantang VIII. Lalakon Bima Wajang IX. Lalakon Ranggah Sena X. Lalakon Koeda Gandar Sadaya

[16]

II.

LALAKON LANGGA SARI.

——————

Radjahna: Awaking dek make pasang pasadoean ka loehoer ka sang roemoehoen ka handap ka Batara Sanoergaha ka Poeatji Sewaklarang, nitipkeun sora awaking ka Poeatji Djĕnggik Manik, poelang ka loehoer ka Sangngoembang ka Sangngamboeng katĕroes atina soekma manglawoeng, dek ngamitkeun poetra sahidji, noe pandjang pilalakoneunana, noe bagoes Praboe Langga Sari Patang Wangi, noe seda di Goenoeng Pangrajam.

Kotjapkeun noe bagoes Praboe Langga Sari, keur seda di Goenoeng Pangrajam saha girang ramana noe bagoes kai Pangrajam girang iboena noe geulis njai Pangrajam; ditjaritakeun piderekanana misan Pangeran Simbar Kantjana, ngigirkeun girang adina noe geulis Limar Kantjana.

Katjaritakeun noe kasep Langga Sari oendoer ngalejos, ngĕrik pikir bingoeng kalboe, girang ramana leungiteun poetra sahidji, teu bisa njoesoel. Tjalikna Praboe Langga Sari di Goenoeng Larang di saoeng serang loemajoeng. Didinja andĕg ngadoenoeng pawistri ti Pasir Batang noe geulis Lenggang Manik. Katoenaän dahar toeloej baramaen ka saoeng gĕde ka Djamang_Hadji, Djamang Koening, Djamang Beureum, Djamang Hideung. Boro ampar dibere barang dahar, toeloej diparagasa. Kadenge koe saoeng serang loemajoeng koe Praboe Langga Sari; toeloej ditoeroenan. Ladjoe ditangtang koe noe kasep Langga Sari: „Geura toeroen sada mangsana, soegan aja lĕmboe woeloeng beunang ngoengkoeng, badak meunang njangtjang, seuh mangseuh lamoen teuneung, lamoen loedeung, ajeuna geura mangsana, teu pindo gawe nja pilantjaneun aing.”

Toeloej silih awoer koe tjidoeh, silih boera koe pangabisa; poendoeng Praboe Langga Sari; reup deuleuna, ngeng dengena, ditjĕkĕl poendoekna, diadoekeun, prok peupeus hoeloena, ditoedjahkeun langgosar.

Bral angkat noe bagoes Langga Sari keupat ngawang ngawang [17]ngapoeng ngoewoeng ngoewoeng ka saoeng serang loemajoeng, gek tjalik gigireun doenoenganana.

Katjaritakeun si Lengser di saoeng gĕde loempat siheuneun, goeroedag ka padalĕmanana di nagara Goenoeng Larang, ponggawana Pangeran Gagak Larang. Toeloej mikono, lamoen Djamang Hadji, Djamang Koening geus paeh dipĕrangan koe noe kasep Langga Sari. Gagak Larang matoer ka Pangeran Lingga Larang, ponggawa di saoeng gĕde geus euweuh, dongeng ka adina noe geulis Lenggang Larang, Lenggang Wajang.

„Ideuh, Lengser, koempoelkeun ijangan para gĕlangan baris toembak opat poeloeh.”

Toeloej pĕpĕk di nagara Goenoeng Larang.

Katjaritakeun noe kasep Langga Sari ngoesir kalajoean, toeloej dihiroepan deui; noe raheut didjampe raheut, noe peupeur didjampe peupeur; hĕnteu lelet, hĕnteu tjotjeng, hĕnteu tjeda tjeda atjan; aja ĕntik angin leutik, aja renghap angin tjarang.

Toeloej didoedoet ramboetna sakoerĕn, dikoelilingkeun teuloe kali; toeloej nirag lĕmah, lilir tanghi, hoedang koredjat. Toeloej asoep oeloen koemawoela ka noe kasep Langga Sari.

Toeloej tjalik ka saoeng serang loemajoeng, oelah indit sanjari, leumpang sadjangkah. Tidinja Praboe Langga Sari angkat djeung doenoenganana ka djĕro nagara Goenoeng Larang.

Datang ka djabakoeta, toeloej ngadĕgkeun papanggoengan noe kasep Langga Sari; gek tjalik doenoenganana Lenggang Manik ka papanggoengan. Toeloej matoer ka doenoenganana dek nangtang Praboe Gagak Larang, noe tjalik di padalĕman. Noe kasep Langga Sari geus aja di babatoe woeloeng si kalang padjoeritan: „Soegan aja lalaki di poesĕr boemi, lalanang di kolong djagat, geura lawan kadijeu noe kasep Langga Sari!”

Kadenge koe adina, koe noe geulis Lenggang Wajang.

„Owah, praboe lantjeuk, eta noe nangtang pĕrang djoeritan, tjoemĕloek lain wawangkoe, ngotjejak lain heulang pakan koendang, nja eta noe kasep Langga Sari nangtang pĕrang.” „Ideuh, baris toembak opat poeloeh, geura lawanan, geura toeroenan ka babatoe woeloeng si kalang paradjoeritan.”

Dĕr pĕrang, pada noembak ka noe kasep Langga Sari. Tjalikna di toengtoeng toembak, ngaloentjat ti toengtoeng toembak, ambĕk kejang kasĕngĕnan, moendoet doehoengna kaboejoetan Pangrajam, ditjatjar tjareuwoehkeun bejak bebas baris toembak opat poeloeh. Tidinja noe kasep Langgasari nangtang ka djĕro nagara: „Soegan aja [18]lalaki di poeser boemi lalanang di kolong djagat!” Ditoeroenan koe Gagak Larang; dĕr pĕrang diadoe pĕrang tandingan, moepoes maoer nganggoer tea djoegala ka noe kasep Langga Sari. Paeh deui bae Gagak Larang.

Tidinja nangtang deui ka djĕro nagara. Toeloej ditoeroenan koe noe kasep Lingga Larang; gĕr pĕrang papijoeh paädoe adĕgan,leuleus langsĕt noe tandingan; bloek ĕngkoek ĕngkoekan, blak nangkarak, pĕrang pada saroewa djajana saroewa anomna, rengkebeng lir mĕrak ngibing, boeloe bitis pipitjisan, boeloe dada moelĕt moesĕr, mantjorong pĕndok di ganggong, golojoh eleh deui Pangeran Lingga Larang koe noe kasep Langga Sari, wantoening seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran, asak tapa ti boeboedak, asak sakti ti leuleutik.

Tidinja dibiroepan deui koe noe kasep Langga Sari, didjampe koe tjidoeh mashoer kalimbeureuh tajoeng geureung: „Adi, geura hoedang”. Koredjat haroedang deui, taloek asoep oeloen koemawoela ka noe kasep Langga Sari.

„Ideuh, girang adi, koemaha dek lĕmboer matoeh dajeuh maneuh bae di dijeu atawa hĕnteu?”

„Ideuh, girang kaka, mohal ngalĕmboer matoeh ngadajeuh maneuh di dijeu mĕlang ka nagara Pasir Batang.” „Owah, lamoen kitoe mah, alamat moeroed salĕlĕmboer, mintar sanagar ngiring noe kasep Langga Sari.” Bral angkat pajoeng toedjoeh noengkoe noengkoe, pajoeng dalapan ngadjadjar, ngaleut ngaleut ngabandaleut, majakpak para santana.

Soemping damping dongkap datang, goeroedag ka nagara Pasir Batang, datang ka djaba koeta; dĕr ngadĕgkeun deui papanggoengan, gek tjaralik di papanggoengan, ngabaris para pawistri, ngadjadjar para ponggawa. Noe kasep Langga Sari ladjoe kana babatoe woeloeng, nangtang pĕrang ka djĕro nagara Pasir Batang ponggawa Praboe Bagoes Ratoe Djaja: „Beut soegan aja lalak di poeser boemi, lalanang di kolong djagat, pimoesoeheun noe kasep Langga Sari!”

Ngoengkoeng sorana ka manggoeng noe nangtang pĕrang, laj keupatna Ratoe Djaja noeroenan pĕrang ka noe kasep Langga Sari. Der pĕrang papijoeh poejoeh, pasentak taktak, pabeulit bitis, pakoel tjangkeng; bloek nangkoeb silih soeroeng, blak nangkarak silih doepak noe kasep Langa Sari djeung Ratoe Djaja, ponggawa di Pasir Batang Lĕmboer Girang, pada soesoek ratoe bangsa menak, asak tapa ti boeboedak, sakti ti leuleutik, seuweu ratoe ti Pakoean menak Padjadjaran; digoeloeng digeleng Ratoe Djaja koe noe kasep Langga Sari, babar karahajoeanana, langgosar, paeh deui bae. [19] Tidinja dihiroepan deui koe noe kasep Langga Sari; ladjoe asoep oeloen koemawoela.

„Ideuh, girang adi, soemangga tjalik ka padalĕman girang si kaka”. „Owah, girang adi mohal tjalik, dja noenggoean girang dahoewan dalĕm noe tapa di Boewana Njoengtjoeng, Pangeran Naga Boewana. Sadjeroning tapa, tĕpoeng lampit djeung Praboe Ajah Sapoetoe Hijang Bajoe.”

„Ideuh, oetoen, dek naon manan tapa kabina teuing.”

„Hajang ngasoeh seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran.”

„Ideuh, moen ngarah sakitoe bae mah meudjeuh, dja geos djadi djabakoeta nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.”

Toeloej balik ngadjalanan Pangeran Naga Loemenggang.

„Ideuh, oetoen, titah balik koe praboe ajah, meudjeuh, oelah tapa, dja ĕnggeus aja di nagara Pasir Batang di djabakoeta; tapi oerang balik koedoe djalan ka Batoe Noenggoel, ngadjalanan Pangeran Tadji Koesoema djeung girang aisna nji Rangga Geulis Lenggang Koesoema.” Toeloej angkat ngapoeng ngoewoeng ngoewoeng, ngapak ngawang ngawang, barabat wajakamana, madjoe datang ka djalan marapat opat. Toeloej ditoenda heula tjarita nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, njaritakeun deui girang ramana di nagara Pangrajam, toeloej kai Pangrajam leumpang djeung Pangeran Simbar Kantjana, Rangga geulis Limar Kantjana, njijar girang seuweuna. Goeroedag datang ka djalan marapat opat; bet geus aja girang seuweuna.

„Ideuh, soehanan paman, dek kamana?”

„Poegoeh leungiteun girang seuweu Praboe Langga Sari, soegan aja katĕbeh dijeu.”

„Ideuh, girang paman, montong disijar girang si oetoen, dja geus aja di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, angkat ti djalan marapat opat noetoerkeun Pangeran Naga Boewana ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.”

Katjaritakeun soemping damping dongkap datang ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, manan tapa kabina bina teuing, hajang ngasoeh seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran, tĕpoeng lĕsoeng tĕpang gĕlang djeung girang ajahna di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.

Koempoel sadoeloer rahraj sababaraja patĕpoengan patengok sono, wantoe geus heubeul teu papanggih. Toeloej Praboe Langga Sari ngeusi di padalĕman, njoenggoeh kana kasoer baboet, njarande kana bantal soetra, njarande kana lalangse tjinde, tjalik dina goegoeling [20]poetih, tjalik dina kasang goemĕlar, kasered lalangse tjinde, kasoeroeng lalangse woeloeng.

Tidinja Pangeran Simbar Kantjana ladjoe andĕg papatih, ngĕmban timbalan dalĕm, soeka boengah garaita, loba noe geulis pipingitan, loba landjang pakĕmbaran, loba noe denok poponggolan; ari toengkoel troek kana soesoe, ari tanggah trak kana tarang; saha pawarangna, kameumeutna, kasimeurna, kaoedjana, kaoesmana, noe ngageugeuh pati ageung, noe ngagawaj kabeungharan, noe matak hedjo lalakon, noe poerah ngadjoeroeng njandoeng, noe matak rambaj tjarita. Katjaritakeun baris ponggawa sakabeh tjalik di babalean, ngabaris baris paradjoerit, ngadjadjar baris pĕpĕrang.

Kotjapkeun pandakawan Mama Loerah tjalik di pakĕmitan Hitoet Goegoer Boesijat Hoedjan Gĕlap Njawang Teu Tinggaleun. Parajaji opat poeloeh ijangan paragĕlangan noe matoer pating aroelang, widak widak sangrama ijangan paragĕlangan di aloen aloen pasar agoeng, gĕnggĕlang singaboeroean, loeloeroeng doewa di bandoeng, dalapan pangipasan, sok ngĕlir pagĕr kikisna, ngaratjol gado bangkongna, ngĕmbat ngĕmbat pasanggrahanana, soeka boengah wajang tapa, genah toemaninah; soegih moekti, beurat beunghar, kirintjing pitjisna, ngĕlĕboet oemboel lĕmboer, majakpak tangkal pinangna, moejoekpoek poetjoek kawoengna, kagoengan praboe dalĕm noe kasep Langga Sari. Toeroen euntjoe euntjoe, rĕndang anak anak, lĕmboer matoeh dajeuh di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.


——————