Badoejsche Pantoenverhalen/Lalakon Koeda Gandar
X.
LALAKON KOEDA GANDAR.
______
Kotjapkeun ponggawa Koeda Gandar, pamoek pĕrang di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang djeung kagoengan hidji saderek istri djĕnĕngan njai Ringgit Sari.
Toenda heula tjaritana ponggawa Koeda Gandar. Njaritakeun Praboe Soetra Mantri; nagarana di Pakoean Barat, hajang kagoengan istri ka oerang Pasir Batang Lĕmboer Girang, ka noe djĕnĕngan Mirah Kantjana, saderekna Pangeran Naga Panggiling djeung ka noe djĕnĕngan Lenggang Kantjana, saderekna patih Kalang Kantjana.
Tidinja bral angkat Praboe Soetra Mantri njoektjroek njoektjroek waloengan tjai, mipir mipir soekoe goenoeng. Goeroedag datang ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, sarta toeloej tatabean ka Pangeran Naga Panggiling, ka patih Kalang Kantjana djeung ka ponggawa Koeda Gandar. Pokna:
„Owah, girang kaka, lamoen madak idin, girang adi hajang miloe eureun sakeudeung, ngeureunan tjape bari ngalĕmar.”
Djawabna oerang Pasir Batang Lĕmboer Girang: „Rampes, girang adi, tapi girang kaka mah sok hajang nanja bae, naon anoe disĕdja sasab sempar ka tĕbeh dijeu, sasari teu ari ari, bareto teu elok elok, girang kaka mah sok sarariheun.”
Tjik Praboe Soetra Mantri:
„Owah, girang kaka, satĕmĕn tĕmĕnna mah aja pisan noe disĕdja; loemoen sapoek sama doeloer sarta tatjan aja noe kagoengan, hajang ngawoelakeun toewang saderek njai Mirah Kantjana djeung njai Lenggang Kantjana.”
Saoerna Pangeran Naga Panggiling: „Ideuh, girang adi, rampes, dja masih lengoh keneh.”
Tidinja njaoer Pangeran Naga Pranggiling djeung patih Kalang Kantjana ka si Lengser:
„Ideuh, Lengser, geura tabeuh bĕnde koneng, ngoempoelkeun sakabeh hijangan paragĕlangan ka djĕro nagara, ajeuna aing dek ngawin[ 59 ]keun Mirah Kantjana djeung Lenggang Kantjana ka Praboe Soetra Mantri, menak ti Pakoean Barat.”
Tidinja si Lengser nakol bĕnde koneng, doek, doek, tjengengeng. Brĕg koempoel sakabeh hijangan paragĕlangan ka djĕro nagara. Toeloej si Lengser matoer ka Pangeran Naga Panggiling djeung ka patih Kalang Kantjana, jen sakabeh hijangan paragĕlangan geus koempoel.
Toeloej mimiti angkat karija, ramena kabinabina; meuntjit moending salawe kandang, eusina pada njalawe. Nanggap goöng salawe bangoenan, nanggap angkloeng salawe tatapan; ngagoeroeh sora goeloedoeg bawaning rame karija.
Toenda noe keur karijaan; katjaritakeun di patapaän Mega Njodor aja menak keur tapa, djĕnĕnganana Ratoe Singa Tadji Wangsa, meunang bedja, jen di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang eukeur karija kawinan, ramena teu kira kira.
Bral angkat Ratoe Singa Tadji Wangsa, nongton karija ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.
Barang Ratoe Singa Tadji Wangsa keur nongton, papanggih djeung panganten istri njai Lenggang Kantjana.
Toeloej dirontok koe Ratoe Singa Tadji Wangsa, dibawa minggat ka patapaän Mega Njodor. Toeloej Lenggang Kantjana diboenikeun koe Ratoe Singa Tadji Wangsa di Mega Njodor. Tapi Lenggang Kantjana tjeurik bae, sabab katineung ka tjarogena Praboe Soetra Mantri.
Ratoe Singa Tadji Wangsa njaoer ka Lenggang Kantjana; pokna: „Ideuh, girang adi, oelah tjeurik, geusan naon katineung ka Praboe Soetra Mantri? Dja girang kaka oge saroewa menak.”
Katjaritakeun di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang leungiteun panganten njai Lenggang Kantjana. Matoer patih Kalang Kantjana ka Praboe Soetra Mantri: „Owah, girang adi, montong soesah koe sabab si indji leungit, geus tangtoe kapanggih deui; girang kaka noe bakal njijar.”
Tjik Praboe Soetra Mantri: „Ideuh, girang kaka, sadaja daja teu borong girang kaka bae.”
Tidinja patih Kalang Kantjana meunang bedja, jen Lenggang Kantjana dipaling koe Ratoe Singa Tadji Wangsa, dibawa ka Mega Njodor.
Bral angkat patih Kalang Kantjana mapaj latjak, njoesoel oeroet noe maling. Goeroedag datang ka Mega Njodor.
Didinja kapanggih Lenggang Kantjana koe patih Kalang Kantjana. Toeloej ditjokot, dibawa balik ka nagara Pasir Batang Lĕm[ 60 ]boer Girang, dihatoerkeun deui ka tjarogena Praboe Soetra Mantri.
Katjaritakeun Ratoe Singa Tadji Wangsa leungiteun istri beunang maling teja.
Tidinja Ratoe Singa Tadji Wangsa njoesoel ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.
Barang datang ka sisi nagara, dĕr bae Ratoe Singa Tadji Wangsa nangtang pĕrang ka baris menak di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.
Ari nangtangna kijeu: „Soegan aja noe kahot poponggolan, noe wĕdoek ka tjadoek tjadoekna, geura toeroen ti djĕro nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, oerang pĕrang adoe djoeritan djeung aing!”
Kadenge eta sora noe nangtang koe Pangeran Naga Panggiling; miwarang ngalawan ka patih Kalang Kantjana.
Tidinja patih Kalang Kantjana dangdan dek ngalawan pĕrang. Ngoejoengkoeng sorenna doehoeng, ngajangkang sorenna pĕdang; bral angkat ka kalang paradjoeritan.
Barang gok papanggih, dĕr bae pĕrang patih Kalang Kanjana djeung Ratoe Singa Tadji Wangsa; silih sĕbat koe pĕdang, silih soedoek koe doehoeng, silih dagor gado, silih geleng tjangkeng, silih kaït bitis. Teu lila gololoh patih Kalang Kantjana, kasamboet koe Ratoe Singa Tadji Wangsa datang ka paeh. Tidinja Ratoe Singa Tadji Wangsa asoep ka djĕro nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, nangtang deui ka Pangeran Naga Panggiling.
Ari nangtangna kijeu basana: „Soegan aja keneh sanak barajana patih Kalang Kantjana, noe masih mĕngpan ka pĕdang, noe masih mampoeh ka doehoeng, geura madjoe kadijeu!”
Matoer Pangeran Naga Panggiling: „Atoe poegoeh aja mah, geus tangtoe sija koe aing dilawan.”
Tidinja dĕr deui pĕrang Ratoe Singa Tadji Wangsa djeung Pangeran Naga Panggiling, papijoeh paadoe poejoeh; silih tondjok bolor, silih geleng tjangkeng, silih keungkeuweuk beubeur. Golojoh Pangeran Naga Panggiling eleh deui bae koe Ratoe Singa Tadji Wangsa datang ka paeh. Sanggeusna Pangeran Naga Panggiling paeh, dilawan deui koe Praboe Soetra Mantri, dĕr pĕrang taroeng galoengan djeung Ratoe Singa Tadji Wangsa; silih kĕntroeng iroeng, silih bentar tarang, silih djiwir tjeuli. Golojoh Praboe Soetra Mantri paeh deui bae.
Tidinja matoer Koeda Gandar ka adina, pokna: „Ideuh, girang adi, ajeuna mah koedoe girang kaka noe ngalawan Ratoe Singa Tadji Wangsa.” [ 61 ] Toeloej ponggawa Koeda Gandar dangdan sakoemaha noe dek madjoe pĕrang. Barang det paädoe hareupan, dĕr pĕrang pakĕntroeng baloeng. Ting djarĕkek sora noe ngadek, ting bĕlĕdog sora bedog; bak, beuk sora pameupeuh. Golojoh Ratoe Singa Tadji Wangsa eleh koe ponggawa Koeda Gandar, datang ka paeh.
Sanggeusna kitoe matoer adina Koeda Gandar ka Koeda Gandar: „Owah, girang kaka, geura hariroepan deui eta lalajon anoe pĕrang, oelah sina ting galoler kitoe, karoenja.”
Toeloej eta sakabeh lalajon koe Koeda Gandar dikoempoelkeun; beunang ngoempoelkeun, toeloej dikoelilingan toedjoeh kali bari didjampe. Teu lila koredjat haroedang, hariroep deui.
Barang geus kitoe Praboe Soetra Mantri dipariksa koe Koeda Gandar, pokna: „Owah, girang adi, koemaha lamoen ditikahkeun ka doeloer girang kaka njai Ringgit Sari, daek atawa hĕnteu?”
Djawabna Praboe Soetra Mantri: „Owah, girang kaka, ngiring toewang pikĕrsaeun.”
Toeloej angkat karija, rame nikahkeun njai Rnggit Sari djeung Praboe Soetra Mantri, meunang toedjoeh poë toedjoeh peuting.
Ari tatanggapanana goöng salawe bangoenan, angkloeng salawe tatapan. Ting kĕtjĕmploeng sora tjaloeng, ting bĕlĕdoeg sora bĕdoeg; ngagoeroeh di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang bawaning rame karija.
Barang meunang toedjoeh poë, ka dalapanna boebaran karija.
Katjaritakeun Praboe Soetra Mantri tĕtĕp andĕg radja di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, diraksa koe ponggawa pĕpĕrang opat, istri teuloe njoesoen njoesoen geulis saroewa geulisna, tĕtĕp lĕmboer matoeh dajeuh maneuh, toeroen euntjoe reuaj anak.
______