Badoejsche Pantoenverhalen/Lalakon Kidang Panandri
[ 39 ]
VI.
LALAKON KIDANG PANANDRI.
——————
Katjaritakeun Kidang Panandri, noe tjalik di Padjadjaran ngasoeh ratoe njajak menak; ari pawarangna Ratoe Manik Raga Geulis Nimbang Leuwi Ĕmas Pagĕntjajan. Di kiriman teuloe pandakawan: patih Koeda Lengser, Mama Loerah djeung Hatoet Goegoer Boesijat Hoedjan Gĕlap Njawang Hĕnteu Tinggaleun.
Tjalikna di pakĕmitan, marĕk tapa ka girang goestina. Toeloej njaoer girang goesti ka pandakawan: „Owah, Mama Loerah, mangsing amit paraniti, mangsing raksa paratjeka, ngadjaga diri koe mantĕn.”
Tjek Mama Loerah: „Owah, pakoelat kĕris malaman ka sarangka, sarangkana beulitkeun kana beuheungna, papada paeh oge katoeng, koelan.”
„Alah tjĕlĕkak papatah di mana, kĕris di malaman ka sarangka, sarangkana warang woeroeng teu beunang ditarik.”
Tjek Mama Loerah: „Haideuh, sarangka ge sarangka boentoet, beuheung ge beuheung landejan.” Didinja tĕtĕp pandakawan ngaraksa banda girang goestina.
Katjaritakeun dahoewan dalĕm tjalikna di babalean, tjalik dina lampit poetih, reu-eus meureun kewat meureun, dja nagarana kewat kabawa koe desa, noe poerah nanggoel sagara goentoer, nambak sagara gĕni, poerah ngoeloeng koe padoeng, ngoelang koe pĕdang, noe mangpeng manggale ka parentahna.
Tidinja najaka dahoewan dalĕm ngadjaga girang parentahna. Toeloej njaoer ka patih Koeda Lengser: „Amboe, Lengser, mangsing amit paraniti, mangsing bisa paratjeka, ngaraksa diri koe mantĕn; koeta langlang sapeuting toedjoeh kali sabeurang toedjoeh kali. Noe bolong tjebok noe tjarangtjang lanat.” „Haideuh, goesti, kakara dilanglang pĕrkara koeta reugreug pageuh soemĕdja djaja pĕrangan.” [ 40 ]„Adoeh, Koeda Lengser, tĕgĕr manan aing teu kapalang ngestokeun ngadjatikeun asoep oeloen koemawoela.”
Katjaritakeun noe tjalik di padalëman, Praboe Rangga Malati kapalajoe koe itoengan, hajang moetrian ka noe djaoeh lĕmboerna, anggang nagarana, ka nagara Pasir Batang Karang Tĕngah, ka noe geulis Dewi Toelis. Njaoer ka girang pawarangna, hajang menta pananjaankeun ka nagara Pasir Batang Karang Tĕngah: „Owah, njai, girang si kaka kapalajoe koe itoengan, kadjongdjonan koe paratan, hajang dipangnanjaänkeun ka noe geulis Dewi Toelis, noe tjalik di Pasir Batang Karang Tĕngah.”
Pawarang dalĕm njaoer ka Djompong: „Eh, Djompong, aing koedoe dianteur nanjaän ka nagara Pasir Batang Karang Tĕngah.”
„Aideuh, goesti, ngiring toewang pikĕrsaeun.”
Bral angkatna madjoe djalan. Soemping damping dongkap datang ka nagara Pasir Batang Karang Tĕngah. Pok masang tabe kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang: „Tabe, girang teteh.”
„Haideuh, njai, rampes tjalik, oelah toemangtoeng toenggaling goeroe, soemĕdja toenggaling gĕna, grodjog tanpa larapan, bageja, soemping tjalik ka rorongko toewang koering.” „Aideuh, girang si njai, lamoen njoesoel njoesoel lakoe, mapag lampah tikorokotokeun tjareham hajameun, lamoen boengkoes boengkoes kareoeun naon nja pikĕrsaeun?” „Aeh, girang teteh, pibedjaeun meureun aja, djaoeh djaoeh didjoegdjoeg, anggang anggang diparanan, meungpeunan beungeut koe saweuj ngadeudeul leuleu-eur koe iteuk, poëk mongkleng boeta-radjin, hajang papahare ngasoeh ratoe njajak menak.”
„Owah, girang adi, lain nampik kasoegihan, lain madak karoewaän moemoel ka seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran.
Girang teteh geus kagol omong djeung noe djaoeh lĕmboerna, noe anggang nagarana, djeung Koeda Djajang Sari, ponggawa di Gagar Handjoewang.”
Katjaritakeun ponggawa Koeda Djajang Sari mawang istri djĕnĕngan Ringgit Sari Rentjang Kĕmbang ti nagara Gagar Handjoewang.
„Tapi kijeu, sok girang si teteh sanggoep ka seuweu ratoe ti Pakoean asal menak Padjadjaran, tapi aja pepentaän, lamoen diajakeun di nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir si koeda boeloe landak djeung si moending si boeloe hiris, girang teteh meureun sanggoep.” [ 41 ] Bral angkatna moelang madjoe djalan. Goeroedag ka padalĕman, ladjoe ditanja koe girang kakana: „Koemaha, indji, boga beubeunangan atawa hĕnteu?” „Aideuh, girang kaka, dingaranan boga, dja hĕnteu beunang, dingaranan teu boga dja beunang; ngan gĕde teuing pepentaänana.”
„Owah, adi, menta naon?”
„Haidih, girang kaka, menta diajakeun moending boeloe hiris koeda boeloe landak di nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir.”
Njaoer Ratoe Santaja ka Kidang Panandri, lamoen hĕnteu djadi, matak boeroeng djadi ratoe, kapalang djadi menak, lamoen teu kasorang ka noe geulis Dewi Toelis. „Owah, girang lantjeuk, ajana mah aja moending boeloe hiris koeda boeloe landak, tapi djaoeh; nagarana di nagara Noesa Bali.”
„Owah, girang kaka, si oetoen njerenkeun padalĕman, toewang adi deuk njoesoel ka nagara Noesa Bali.”
Sĕmproeng menak Panandri, angkat ngapoeng ngoewoeng ngoewoeng, ngapak ngawang ngawang, nĕroes boemi mapak mega; groedag soemping damping dongkap datang ka para dewata ka boemi Soetji Alam Padang, gek tjalik di pajoenan paradewata.
Pok ditanja koe noe geulis Wiroe Mananggaj, dewata noe pangtjikalna: „Aideuh, girang oetoen, inggis batan maoet hinis, reuwas batan toempak djeuntas, naon pikĕrsaeun tjalik ti boewana pantja tĕngah?”
„Adeuh, girang teteh, lain naon, hajang seuweu ratoe njajak menak.”
„Amboe, oetoen, girang teteh ngadjoeroeng rahajoe ngadjijad lalampah; hade dek ka Noesa Bali, tapi koedoe djalan ka nagara Djĕnggi.”
Tidinja kalajang Raden Panandri ngaragragkeun maneh ti Soetji Alam Padang. Groedag ninggang ka pihoemaän oerang nagara Djĕnggi. Toeloej masang tabe, tabe sapoen amit ka noe boga boemi, kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, tabe miloe eureun, ngeureunan palaj djeung tjape, hajang sindang ngalĕmar.
„Adeuh, oetoen, rampes, tapi teu aja dadahareun, wantoening raga masakat diri noe miskin.”
„Aideuh, girang ajah, kadjeun, lain hajang barang hakan, dek nanja ijeu hoema hoema oerang mana?”
„Aideuh, oetoen, hoema, oerang Noesa Djĕnggi, anjing kami telok kalĕmboer, tĕgĕsing ngahedjo tihang bae.” [ 42 ] „Adeuh, ajah, koemaha kami hajang oelin ka nagara Noesa Djĕnggi, koemaha ratoena di Noesa Djĕnggi hade ka semah atawa hĕnteu?”
„Euh, oetoen, ratoe Noesa Djĕnggi lamoen beurang daharna tangange, dahar peuting tĕngah peuting; ngadagoan sare semah.”
Bral angkat noe kasep Raden Panandri, madjoe djalan noe notog ka djabakoeta; groedag soemping kana babatoe woeloeng di Noesa Djĕnggi. Raden Panandri haok sĕntor nangtang ka radja Djĕnggi, djĕnĕngan Ponggawa Ratoe Djĕnggi: „Soegan aja lĕmboe woeloeng beunang ngoengkoeng, aja badak beunang njangtjang, toeroen lalakina di nagara Noesa Djĕnggi!”
Kapiliskeun kaänginkeun ka noe geulis Ratna Djĕnggi. Njaoer noe geulis Ratna Djĕnggi ka rakana: „Euh, girang kaka, boga dosa naon, girang kaka, bĕt eta sora noe nangtang. Adoeh, girang kaka, sora ponggawa ti nagara Pasir Batang, hajoe oerang geura maboer masing djaoeh, geura leumpang masing anggang; lain lawaneun, loba doekoen hĕnteu mampoeh, loba paradji teu mahi, lain lawaneun sakoedjang doewa koedjang.”
„Adeuh, girang adi, moemoel teuing oendoer koe moesoeh, leumpang koe lawan, ninggalkeun nagara, mohal warang woeroeng dilawan.”
„Adeuh, girang raka, mangsing amit paraniti masing bisa paratjeka, sabab Praboe Panandri lain lawan lawaneun.”
Angkat ratoe Djĕnggi maranan ka moesoeh; ngoejoengkoeng sorenna doehoeng, ngajangkang sorenna pĕdang.
Tidinja der pĕrang tandingan Praboe Ratoe Djĕnggi djeung Raden Panandri. Boek, bek; silih banting, silih djĕdjĕk, silih doepak, silih pĕdang pinĕdangan.
Adeuh, kadijeu koelit dingding poerasani, seor koelit singkajoanana, soedoek maroe tinggang baradja goerilingan djĕkek, bloek nangkoeban, blak nangkarak, golojoh Praboe Djĕnggi, kasered papijoeh paadoe poejoeh, pageleng paadoe tjeleng, patjentang lalawanan; dirawoe soekoena Praboe Djĕnggi koe Raden Panandri, dialoengkeun ka manggoeng, dioelangkeun ka awang awang, disabĕtkeun, golepak babar karahajoeanana.
Bloes asoep Raden Panandri ka djĕro nagara Djĕnggi, nangtang deui: „Soegan aja koela kadang barajana geura pangseuhkeun kadijeu!”
Taloek bae sadjĕroning nagara Djĕnggi katoet njai Ratna Djĕnggi, asoep oeloen koemawoela, njanggakeun beuheung teukteukeun, iga [ 43 ]rakrakeun, hajang panghiroepankeun girang kaka, soegan daek asoep oeloen koemawoela ka girang goesti.
Tidinja didjampe koe Raden Panandri, koredjat, hoedang, asoep oeloen koemawoela. „Adeuh, girang goesti, rampes tjalik ka padalĕman.”
Tidinja bral angkat Raden Panandri djeung Praboe Noesa Djĕnggi ngadjoegdjoeg ka Noesa Bali, ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut. Grĕdoeg soemping ka djalan marapat opat. Toeloej ngadĕgkeun pasangkrahan di djalan marapat opat; pada tjalik hijangan paragĕlangan ti Noesa Djĕnggi, ngalijoeng lijoeng praboe ngadjaga djaga para menak.
„Adeuh, pangiring pangiring kabeh, toenggoe bae di pasangkrahan, aing daek asoep ka djĕro nagara Noesa Bali.”
Bral angkat Raden Panandri ka djĕro nagara, bari masang tabe, kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, masang tabe mah moengkoereun. Kasondong tjalik di padalĕman pawarang di nagara Noesa Bali. Kagoda koe noe kasep Raden Panandri.
Tidinja kasondong boro noe anom, padeuleu tineung noe loedeung, pakewat mata noe ngora.
Heubeul heubeul njai Ratna Bali menta dikawin ka Raden Panandri. „Adeuh, girang njai, mangga, tapi lamoen dibikeun tjotjoöan di nagara Noesa Bali moending boeloe hiris koeda boeloe landak, sok girang raka ngawin ka girang si njai.”
„Adeuh, girang raka, soemangga, tapi dibawana oelah oelin djaoeh teuing, koedoe koeliling di pipir boemi katjatjang katoekang desa.”
Tidinja ditoenggangan brabat ka wetan, droegdoeg ka kidoel; sĕmproeng dibawa minggat ka djalan marapat opat.
Matoer girang si adi ka girang kakana: „Adeuh, girang kaka, oerang kapalingan koeda boeloe landak moending boeloe hiris.”
Poendoeng girang kakana ka girang si adi: „Adeuh, girang adi, nja ajeuna diteukteuk beuheung tigas mastaka, sabab girang si adi ngingoe semah teu bema teu bewara ka girang si kaka.”
„Owah, girang kaka, oelah paringgasong teuing ka girang si adi; toengtoengna tjotjoöan dipaling deugeun, doeloer dipaehan; ari panasaran, tangtang bae kana batoe woeloeng kalang paradjoeritan.”
„Adeuh, nja bĕnĕr girang si indji, loba kapopoösan bae, ajeuna mah dek njoba dadahoelatan ditangtang.” Toeloej nangtang: „Lamoen [ 44 ]teuneung loedeung, geura pangseuhkeun lalanang di kolong djagat lalaki di poesĕr boemi!”
Toeloej Kidang Panandri toeroen ngalawan pĕrang. Dĕr pĕrang tandingan; boek; bĕk, doer, dĕr, silih beubeut, silih gĕntjet. Ting harijoeug sora doehoeng, ting siripit sora kĕris, ting dorokdak sora toembak, ting golodjrang sora pĕdang. Toengtoengna ratoe Noesa Bali djeung para ponggawa asoep oeloen koemawoela ka Raden Kidang Panandri. Tidinja noe geulis Ratna Bali njoenggoeh njĕmbah ka Raden Kidang Panandri, njoehoenkeun dihiroepan kabeh lalajon di Noesa Bali.
Didjampe koe noe kasep Raden Panandri, ting koredjat deui, haroedang kabeh babatang di Noesa Bali, asoep oeloen koemawoela ka Raden Kidang Panandri. Toeloej tjaralik ka padalĕman di djalan marapat opat.
„Adeuh, girang praboe lantjeuk, koemaha dek lĕmboer matoeh dajeuh maneuh di nagara Noesa Bali?”
„Adeuh, girang adi, hĕnteu, girang kaka hajang balik ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir.”
Tidinja bral angkat ti nagara Noesa Bali, pindah ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir, ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut; tjaretjet kajaning otet, njaroengnjoeng kajaning reunjoeh, ngiring noe kasep Raden Kidang Panandri ponggawa di nagara Pasir Batang. Djĕboel soemping damping dongkap datang ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir; para pawistri tjalik ka padalĕman, para lalaki gek tjaralik ka babalean.
„Adeuh, patih Koeda Lengser, eta si dawoek si moending boeloe hiris si koeda si boeloe landak asoepkeun kana gĕdogan.”
„Adeuh, girang soehoenan, koemaha, ajeuna geus aja pamoendoet girang si teteh, koemaha ngadogdog njijeun arotan ngadadak njijeun karija?”
„Adeuh, girang adi, toeloes, tapi koedoe ditejangkeun koe patih Koeda Lengser.”
Djĕboel Lengser datang ka nagara Koeda Djajang Sari.
„Adeuh, Lengser, kami mohal taloek ka ponggawa di nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir.”
Toeloej si Lengser balik matoer ka girang goestina: „Pangampoera, doenoengan, oerang Pasir Batang Karang Tĕngah mohal taloek bae.”
„Adeuh, Lengser, lamoen teu daek taloek, dek ditejangkeun, dek ditjoendoek lĕboe datang pĕrang.”
Tidinja bral angkat noe kasep Raden Kidang Panandri ka nagara [ 45 ]Pasir Batang Karang Tĕngah. Groedag soemping kana batoe woeloeng. Toeloej haok sĕntor nangtang pĕrang: Lamoen aja lĕmboe beunang ngoengkoeng, badak beunang njangtjang, soegan aja lalanang di kolong djagat lalaki di poesĕr boemi, hajoe pĕrang tandingan!”
Tidinja djĕboel noeroenan ponggawa doewa patih Koeda Djajang Sari reudjeung patih Koeda Landjar Sari. Djĕgoer pĕrang tandingan, ditjĕkĕl poendoekna, diadoekeun babatokna; prok babatokna, prek tangkorekna, ditoedjahkeun langgosar.
Toeloej nangtang deui noe kasep Kidang Panandri; djĕmpling euweuh noe noeroenan; tina euweuh deui lalanangna, ditoeroenan koe noe geulis Dewi Toelis, bari njaoer asoep oeloen koemawoela, bari moendoet dipanghiroepankeun girang rakana. Toeloej dihiroepan deui koe noe kasep Kidang Panandri.
Toeloej taloek asoep oeloen koemawoela ka noe kasep Kidang Panandri; ladjoe di bawa pindah indit sirib ejar sadjadjagat ngagoeroeh, salĕlĕmboer ngiring ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir.
Tidinja angkat karija dek ngareremokeun Dewi Toelis djeung ponggawa Praboe Rangga Malati. Praboe Koeda Landjar Sari adĕg papatih dalĕm: „Adeuh, Lengser, ajeuna toeloes arotan, ngadadak njijeun karija; koempoelkeun sakabeh gĕlangan parahijangan; ari panasaran kami, hajang meunang goöng toedjoeh bangoenan angkloeng salawe tatapan, misti dipapadonkeun.”
„Adeuh, girang goesti, geus datang hidak hijangan paragĕlangan.” Loer noe sadjamang boeloedroe, lar noe sadjamang sangsang, noe loba djamang sakĕlat; djamang hideung diga reueuk, korosok sadjamang pendjo.
„Adeuh, Lengser, moending sabraha lobana?”
„Haideuh, girang goesti, moending geus aja salawe pakandangan, eusina pada njalawe, di loewar salawe deui.” „Adeuh, Lengser, angkat tatabeuhan, poekoel bĕnde kaboejoetan beunang ngoenoen toedjoeh tahoen, beunang ngagarang dalapan boelan.”
Doek, doek, tjengengeng. Si Lengser leungit sa peuting, katoeroeban tjeuli moending; si Djompong leungit sapotong, katoeroeban kokorompong. Ngĕnang, ngĕning goöngna koening Asmara djeung Singadjaja; sok, ngoeng si Sĕkar Gadoeng; goöng Pelog sasorogan, goöng Koembang pangrampogan noe ngelehkeun goöng deungeun.
„Adeuh, Lengser, patjoewan koerang dahar, patjoewan koerang arot; sapeuting toedjoeh kali ti beurang toedjoeh kali berean sasangon ngarijoeng, mangka ngarani antjak opat djĕlĕma hidji; meuntjit moending di boentoetna kĕrĕdan kahoeloenakeun.” [ 46 ] Tidinja rengse soeroedan karija; bral moelang iridan hijangan paragĕlangan di nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir. Tĕtĕp dajeuh maneuh lĕmboer matoeh, djondjon marentah sasama radja, sakti mantjala poetra mantjala poetri, sakti manggoelang manggoeling rĕntĕb dĕdĕt di nagara Pasir Batang Lĕmboer Hilir. Djĕmpling teu katjaritakeun deui noe kasep Kidang Panandri.
______