Badoejsche Pantoenverhalen/Lalakon Panambang Sari
[ 35 ]
V.
LALAKON PANAMBANG SARI.
——————
Radjahna: Moela awaking make pasang pasadoean, sadoe ka loehoer ka handap, ka loehoer ka sang roemoehoen, ka batara, noe di manggoeng, ka noe wĕnang njoetjoek ngiboen, ka handap ka Sang noergaha, ka Batara Naga Radja, menta pangapoengkeun sora, awaking menta agoengna palaloen, menta pandjang panghampoera, sadoe awaking dek njaritakeun tjarita pantoen.
Ratoe noe oendoer ti lĕmboer, menak mintar ti nagara ti Pakoean Padjadjaran, ngoembara ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang kĕrsa moetrian ka pawistri nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, soeka boengah garaita, ngamitkeun toewang kakasih, dingarankeunna Praboe Bandaj, patih noe sae Raden Panganten, noe pelag ti Padjadjaran. Pawarangna kakarak sidji. Moela dalĕm soeka boengah garaita, diparĕk koe pandakawan, pandakawan koering kadang dibĕkĕlan Mama Loerah Padjadjaran djeung pangĕmban dalĕm djeung Gĕlap Njawang; tjalik di amben handap di pakĕmitan gĕde dalangdang. Praboe njaoer ka na girang pandakawan: Owah, pangasoeh, aja mangkoek di pakĕmitan gĕde.
„Ideuh, atoeh poegoeh mangkoek mah dja oendoer teu meunang djaoeh, leumpang teu meunang rakmat, ngadasta toewang parentah.”
„Mangsing apik paraniti, mangsing bisa paratjeka, ngaraksa ka goesti kita sĕrĕta diri di manten.”
„Nja sabeunang beunang meureun di raksa.”
Katjatoerkeun moela dalĕm noe keur soeka boengah garaita di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang; pawarangna Ratoe Manik Nimbung Leuwi Ratoe Emas Kalĕnglĕman. „Owah, mas padoenoengan, simadjar ka ngaïng hajang sare ti pojan.”
„Amboeïng, rampes, onam ebog ka pangkonan badan koering.”
Kĕlĕkap sare poetra dalĕm dina pangkonan Ratoe Manik.
Geus kitoe poetra dalĕm boga palamatan ngimpi wawoeh djeung [ 36 ]aloes, ngimpi loma djeung dewata pawistri oerang nagara Pasir Batang Oemboel Hilir, djĕnĕngan Raga Geulis Dewi Toelis, hajang kasorangkeun tineung.
Toeloej koredjat tanghi, teu lemek teu njarek. Tidinja ditanja koe pawarangna: „Ideuh, girang kaka, naon kasakit kapeurih, djodjong bae teu ngawaro waro? Lamoen girang kaka hajang moetrian deui, koering noe pinanjaäneun.”
„Owah, nja temen deui kapalajoe koe itoengan, kadatangan koe karatan, ngimpi panggih djeung pawistri oerang nagara Pasir Batang Oemboel Hilir; hajangeun kasorangkeun tineung.”
Bral pawarang dalĕm nindak dek nanjaan. Barang datang ka nagara Pasir Batang Oemboel Hilir, toeloej nanjaan.
„Ideuh, adi, soegan daek asoep oeloen koemawoela ka seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran?”
„Wĕleh teu daekkeun poetri di nagara Pasir Batang Oemboel Hilir, teu koemapoeroen ka ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran, kijeu, njai lantjeuk, sok badan si indji daek, tapi koedoe diajakeun anak anakan kantjana.”
Toeloej pawarang dalĕm balik deui kokono ka giraug kakana.
„Ideuh, girang kaka, daekkeun oge gĕde pepentaanana.”
„Owah, indji, menta naon?”
„Ideuh, girang kaka, menta diajakeun anak anakan kantjana.”
„Owah, indji, warang woeroeng dipanejangankeun.”
Tidinja nindak ka Goenoeng Teuloe nejangan anak anakan kantjana ponggawa Dĕmang Koemitir.
Barang datang ka djabakoeta Goenoeng Teuloe, ladjoe Dĕmang Koemitir nangtang pĕrang: „Toeroen, soegan aja lalakian di nagara Goenoeng Teuloe, beubeureuh hajang padjeueung, bebene hajang patjarek, hajang patoetoemboe koemis nanggoeng tjawĕt poentir, papada boedak ngora.”
Ditoeroenan koe Pangeran Naga Kantjana, praboe di Goenoeng Teuloe. Dĕr bae pĕrang papijoeh paadoe poejoeh, siling banting, siling doepak; langgosar Praboe Naga Kantjana, eleh, ladjoe asoep oeloen koemawoela ka Praboe Dĕmang Koemitir.
Tidinja ladjoe di bawa pindah ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang, ngaleut ratoe moeroed, menak mintar ti nagara Goenoeng Teuloe ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.
Toeloej poetri Lenggang Kantjana ti nagara Goenoeng Teuloe ditjawistrakeun djeung poetra dalĕm di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang. Toeloej andĕg pawarang. [ 37 ] Toeloej dahoewan dalĕm nindak deui ka nagara Pasir Batang Oemboel Hilir, nganteurkeun anak anakan kantjana. Tidinja dihatoerkeun ka njai Raga Geulis Dewi Toelis, ditanja deui daekkeun hĕnteuna ka seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran.
„Amboeing, saĕnjana mah kami lain koe hajang ka anak-anakan kantjana, dja geus boga djangdji djeung oerang nagara Gĕgĕr Handjoewang Bale Pamĕngkang Loewar patih Djajang Sari.”
Ari kakana Raga Geulis Dewi Toelis djĕnĕngan patih Landjar Sari, tjalik di nagara Gĕgĕr Handjoewang Pamĕngkang Loewar.
Poendoeng Praboe Dĕmnang Koemitir, ladjoe dirawoe Raga Geulis Dewi Toelis, diasoepkeun kana kandoengan, dibawa ngaloentjat ka boeroean, bari nangtang pĕrang ka patih Landjar Sari djeung patih Djajang Sari.
Ditoeroenan koe eta ponggawa doewa. Dĕr pĕrang tandingan, golojoh eleh paeh patih Landjar Sari djeung patih Djajang Sari. Tidinja dihiroepan deui koe Dĕmang Koemitir, ladjoe taloek asoep oeloen koemawoela.
Barang geus taloek dibawa deui moeroed ka nagara Pasir Batang Oemboel Girang. Toeloej pawistri ti Pasir Batang dihatoerkeun ka poetra dalĕm Pasir Batang Oemboel Girang. Toeloej ngadogdog njijeun arotan, ngadadak njijeun karija, nanggap salawe papadon balandar salawe tĕmpat djeung balandar loewar opat poeloeh pĕpĕntoel pake papatjoelan panggang pake babalangan, bawaning rame karija.
Katjaritakeun eukeur sidĕkah di nagara Pasir Batang Oemboel Girang, ngoewar ka pihoemahoemaän.
Njaoer patih dalĕm ka Koeda Lengser: „Owah, Lengser, ajeuna ngoedoe ngoewar ka piwidakan pihoemaän.”
Toeloej patih Koeda Lengser ka sangijang balandongan, bĕnde koneng kaboejoetan katjandak boengkoel boengoer beunang ngoenoen toedjoeh tahoen, beunang ngagarang toedjoeh boelan, tibakeun ka boedjal, bende koneng kaboejoetan; doeg doeg bĕng koewoewoeng, njosor ngalawong sorana ka piwidakan pihoemaän, tjek tjok tjewoh hada ki silah asa neumoe ila ila djagat neumoe toendoen ngoepoek tondeh ngoser.
Ideuh, ki silah kitoe kitoe bae mah, soegan lain ila ila djagat nja meureun parahoeloe, hada kisilah sok simadjarkangaing noe neumoe ila ila djagat teja mah, neumoe areuj di boewah peuteuj.
Ideuh, ki silah soegan lain ila ila djagat kitoe, kitoe bae mah soegan boewah tjarijoe. Wĕrta wĕrti kalamari aja boedak santri ti djĕro dajeuh dek ngadĕgkeun karija arotan. Gĕgĕdena di pihoemaan [ 38 ]kai Loerah Tjapeu Langrang ngajakeun bejas opat timbang djeung moending sarakit Ki Ngabeui Kalang Patih ngajakeun bejas doewa timbang djeung moending kabiri sidji.
Kai Ĕntol Kokoronotod ngajakeun bejas satimbang djeung moending bibit sidji.
Kai Raden Serenggelek ngajakeun bejas opat koelak djeung kotok kabiri doewa, ondangan ka djĕro nagara Pasir Batang Oemboel Girang. Ritjit baris nini nini, rewak baris randa randa, hijangan paragelangan, roengroeng ngarijoeng hidji djĕlĕma toempĕng opat angeun tjaäh babandjiran koempoel di djĕro nagara. Kotjapkeun noe kasep Panambang Sari djadi lalaki di poesĕr boemi lalanang di kolong djagat kalang dadana di nagara Pasir Batang Oemboel Girang, tĕtĕp ngasoeh seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran. Noe poerah noenggoe moesoeh, ngadjaga lawan, poerah nanggoel sagara goentoer.
Rĕnjĕp reuhreuj halimpoe toeroen poetoe, rĕntang poetra di nagara Pasir Batang.
——————