Badoejsche Pantoenverhalen/Lalakon Gadjah Loemantang
[ 47 ]
VII.
LALAKON GADJAH LOEMANTANG.
——————
Katjaritakeun Gadjah Loemantang djadi radja di nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, djeung kagoengan saderek istri djĕnĕnganana njai Nimbang Manik. Ari tjarogena njai Nimbang Manik Sangijang Goeroe Gantang.
Toenda heula tjaritana Gadjah Loemantang; njaritakeun ponggawa di nagara Madjapaït djĕnĕnganana Singa Kombala. Ari saderekna istri djĕnĕnganana njai Sĕkar Kombala. Eta ponggawa di Madjapaït ngĕrsakeun ngandih nagara ka Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah.
Tidinja ponggawa Singa Kombala njaoer ka saderekna njaï Sĕkar Kombala, saoerna: „Owah, girang adi, ajeuna girang kaka kabangbing sakit, kabingbang hajang, katolodjo sono, hajang ngandih nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah.”
Tjik njai Sĕkar Kombala:
„Owah, girang kaka, oelah, sabab di nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah oge aja radja-än, nja eta noe kasep Gadjah Loemantang.”
Tidinja njĕntak Singa Kombala ka njai Sĕkar Kombala:
„Ideuh, indji. kadjeun aja radja-än oge, dja aing ge radja gĕgĕden.”
Tidinja njaoer pamoek pĕrang di nagara Madjapaït noe djĕnĕngan Badak Sanggora:
„Aeh, aeh, indji, toeroetkeun, oelah dipoengpang.”
Toeloej Badak Sanggora njaoer ka si Lengser: „Amboeïng, Lengser, ajeuna koedoe njijeun djalan ti Madjapaït tĕroes ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, koedoe anggeus poë ijeu.”
Tidinja si Lengser nakol bĕnde kaboejoetan boengkoel boengoer, beunang ngoenoen toedjoeh tahoen, beunang ngagarang dalapan boelan. Doek, tjengengeng. Geus kitoe koempoel hijangan paragĕlangan, parajaji toedjoeh poeloeh, widak widak pihoema-än ka nagara Madjapaït, sabab ngadenge sora bĕnde. [ 48 ] Barang geus koempoel di nagara sakabeh hijangan paragĕlangan, parajaji toedjoeh poeloeh, widak widak pihoemaän, toeloej si Lengser ngomong: „Ideuh, batoer batoer kabeh, ajeuna oerang koedoe njijeun djalan ti nagara Madjapait tĕroes ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, sabab radja di Madjapaït ngĕrsakeun ngandih nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah.”
Tidinja gĕr pada digawe, haliwoe noe noewar kajoe, basbir noe nilas awi; hoenjoer dirĕmpoeh, noe lĕgok disaeur. Sapoë harita tĕroes ka sisi nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah.
Toeloej baralik deui ka Madjapaït sakabeh noe njijeun djalan, bebedja ka Badak Sanggora, jen eta djalan geus anggeus.
Katjatoerkeun Badak Sanggora matoer ka Singa Kombala: „Ideuh, girang goesti, ajeuna mah mangga dek moeroed salĕlĕmboer, dek mintar sanagara, meungpeung isoek, dja djalan geus sadija.”
Tidinja si Lengser toeloej ngadangdanan koeda poetih Sangbarani, anak si Mega lalanang, baris toengganganeun noe kasep Singa Kombala, djeung koeda poetih boeloe hiris geusan toengganganeun Badak Sanggora, djeung kareta geusan Sĕkar Kombala djeung istrina Singa Kombala. Barang geus rengse dangdanan, bral angkat moeroed salĕlĕmboer, mintar sanagara, ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut, ngĕlĕboet oemboel oemboelna, pajoeng toedjoeh noengkoensengkoe, pajoeng dalapan ngadjadjar. Katjaritakeun barang soemping ka sisi nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, ngadĕgkeun pasanggrahan heula, hĕnteu geura geura asoep ka djĕro nagara.
Tidinja kabedja ka Gadjah Loemantang, jen Singa Kombala, radja Madjapaït, geus njijeun pasanggrahan di sisi nagara, dek ngandih nagarana.
Geus kitoe matoer Gadjah Loemantang ka saderekna njai Nimbang Manik: „Ideuh, girang adi, oelah ngeunah ngeunah pikir, sĕnang sĕnang lampah, nagara oerang dek diandih koe noe kasep Singa Kombala, radja di nagara Madjapaït. Malah ajeuna geus ngadĕgkeun pasanggrahan di sisi nagara.”
Tjik njai Nimbang Manik:
„Ideuh, girang kaka, hajoe oerang geura oendoer meungpeung djaoeh, geura angkat meungpeung rada anggang keneh.”
Ambĕk Gadjah Loemantang ka adina bari matoer: „Owah, indji, girang kaka mah moemoel oendoer koe moesoeh, leumpang koe lawan, sabisa-bisa dek dilawan bae.”
Geus kitoe matoer deui Gadjah Loemantang ka Praboe Goeroe Gantang, saoerna: „Ideuh, girang adi, si indji ajeuna geura bawa [ 49 ]kadijeu, koe girang kaka dek ditjipta, didjijeun leutik, hajang asoep kana tjoepoe manik, bisi dirĕboet koe moesoeh.”
Tidinja njai Nimbang Manik dihatoerkeun koe Praboe Goeroe Gantang ka Gadjah Loemantang, ladjoe dileutikkeun, kari sagĕde katjang herang deui. Boes diboenikeun kana tjoepoe manik sarta diasoepkeun kana kandoengan.
Tidinja Gadjah Loemantang matoer deui ka Praboe Goeroe Gantang: „Owah, girang adi, koemaha ajeuna, dek miloe atawa mohal, girang kaka dek ka sisi nagara nangtang pĕrang ka Praboe Singa Kombala di pasanggrahan?”
Ngadjawab Praboe Goeroe Gantang: „Owah, soehoenan kaka, geus tangtoe girang adi ngiring, hajang belapati djeung doeloer.” Tidinja bral Gadjah Lamoentang djeung Goeroe Gantang angkat ka kalang paradjoeritan, deukeut pasanggrahan Singa Kombala. Nja didinja ladjoe nangtang pĕrang ka noe keur tjalik di pasanggrahan, pokna: „Soegan aja lalaki di poesĕr boemi lalanang di kolong djagat, lamoen bĕnĕr radja Madjapaït wani, geura kadijeu oerang pĕrang!”
Kadenge ka pasanggrahan koe adina Singa Kombala, ladjoe matoer ka kakana; pokna: „Sapoen, girang kaka, eta sora nangtang pĕrang, menak ti nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, koemaha ajeuna dek dilawan atawa mohal?”
Tjik Singa Kombala: „Owah, girang adi, geus tangtoe dilawan, dja girang kaka geus nijat ti baheula hajang pĕrang djeung oerang nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah.”
Tidinja Singa Kombala miwarang ka Badak Sanggora ngalawan pĕrang. Toeloej Badak Sanggora dangdan, noeroenan ka kalang paradjoeritan, gĕr pĕrang djeung Praboe Gadjah Loemantang. Ting siripit sora kĕris, ting galondjrang sora pĕdang; papijoeh paädoe poejoeh, pageleng paädoe tjeleng; silih banting, silih doepak; pada saroewa kahotna, saroewa bĕdasna.
Barang geus kĕbĕl pĕrangna, golojoh Badak Sanggora kasamboet koe Gadjah Loemantang datang ka paeh.
Dĕr deui bae Gadjah Loemantang nangtang ka Praboe Singa Kombala, pokna: „Ajeuna aing hajang pĕrang radja pada radja, sakti pada sakti, wĕdoek pada wĕdoek!”
Tidinja ditoeroenan koe Praboe Singa Kombala ka kalang paradjoeritan. Dĕr pĕrang pageleng tjangkeng, pabeulit bitis, silih doepak, silih tondjok. Teu lila golojoh Gadjah Loemantang paeh kasamboet koe Praboe Singa Kombala. [ 50 ] Geus kitoe Praboe Singa Kombala ladjoe nangtang ka ponggawa Goeroe Gantang; tapi Goeroe Gantang teu ngalawan, sabab ngarasa, jen mohal koewat.
Tidinja Goeroe Gantang ingĕt, jen Gadjah Loemantang kagoengan saderek misan djadi radja di nagara Haoerdoeni, djĕnĕnganana Tadji Wira Koening. Ari adi sistri djĕnĕnganana Ratoe Manik.
Toeloej ponggawa Goeroe Gantang njoeratan ka nagara Haoerdoeni; basana soerat kijeu: „Praboe Goeroe Gantang ngoeningakeun ka girang adi, jen nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah dipĕrangan koe radja ti nagara Madjapait, malah toewang raka Praboe Gadjah Loemantang geus poepoes; koe sabab eta, lamoen sapoek reudjeung doeloer, lamoen moepakat pada baraja, koedoe ditoeloengan hiroep, hajang dibantoe pĕrang, hajang ditambah njawa.”
Barang eta soerat katampa koe Tadji Wira Koening, ladjoe diwatja sarta kaharti eusining soerat. Toeloej njaoer ka adina, saoerna: „Ajeuna oerang disoeratan koe Praboe Goeroe Gantang ti Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, menta ditoeloengan, sabab girang kaka Gadjah Loemantang geus poepoes, dipĕrangan koe radja Madjapaït.”
Barang soemping Tadji Wira Koening ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, teu tata pasini djangdji, teu make pasang soebaja deui, ladjoe haok sĕntor nangtang pĕrang di kalang paradjoeritan ka radja Majapaït. Toeloej der pĕrang ngadoe kabĕdasan, silih biti, silih banting. Ting harijoeng sora doehoeng, ting doeroekdoek sora soedoek, ting bĕlĕsat panah leupas tina gondewa. Lila lila eleh Praboe Singa Kombala koe Tadji Wira Koening, datang ka paeh.
Geus kitoe toeloej adina Singa Kombala matoer ka Tadji Wira Koening, saoerna: „Owah, girang kaka, ajeuna hajang dipanghiroepankeun deui sakabeh lalajon, djeung girang si adi daek asoep oeloen koemawoela.”
Toeloej koe Tadji Wira Koening dihiroepan deui; noe raheut, didjampe raheut noe peupeur didjampe peupeur. Koredjat hariroep deui Badak Sanggora, Singa Kombala djeung Gadjah Loemantang. Toeloej taloek ka Tadji Wira Koening asoep oeloen koemawala, noeroetkeun toewang parentahna.
Nja didinja Tadji Wira Koening djeung adina tĕtĕp lĕmboer matoeh, dajeuh maneuh, marentah sasama radja. Reuhreuj nagara Pasir Batang Lĕmboer Tĕngah, ngadjadjar poetjoek kalapa, ngoejoepoek poetjoek kawoengna, najektek poetjoek djambena. Djĕmpling ti harita teu katjatoerkeun deui.
______