Badoejsche Pantoenverhalen/Lalakon Raden Tĕgal
I.
LALAKON RADEN TĔGAL.
djampe ngoekoes samemeh mantoen.
Tjik oerang diadjar ngawih, sok moemoel barang poelangan, sok moemoel teu hade teu dipoelangan, sok moemoel barang babaneh, dĕmi tjangkangna reudjeung eusina, mangka saroewa lobana tjangkangna reudjeung eusina.
Poen sadoe kaloehoer, ka handap, ka Batara Sewak larang Sanoergaha, nitipkeun sarwaking ka Poeatji Djĕnggik Manik, ka Sangoembang ka Sangamboeng, ka tĕroesan noe di manggoeng, ka Batara Sanoergaha, ngamitkeun poetra sahidji noe tjalik di tanah pangoembaraän.
Moela dalĕm kĕntjĕng ngoembara, njijar noe poetĕr koeroeng di pangamboeng, tapak djalak di letahna, meulit ka boewah biritna, parat ka dampal panangan, noe balabah ka koela kadang, sareseh hade ka semah, bisa mapas maoes mawoer, mere maweh njeureunkeun ka noe sakeudeung, noe poerah ngadjoeroeng njandoeng, poerah ngaweuj kabeungharan, ngagaweuj pati ageung, noe matak hedjo lalakon.
Tjalik di padalĕman njoenggoeh kana kasoer baboet, njanda kana kasang goemĕlar, njarande di lalangse tjinde, kadjoengdjoeng lalangse woeloeng, kasered lalangse tjinde, di dalĕm di karantĕnan, di ĕndjoeng loehoer di toempang pitoe, loengkang lĕngkeng gĕnteng lawe, sereng gĕnteng kantjana, soeka boengah wajang tapa, kiriman pandakawan, pandakawan koering kadang Hatoet Goegoer Wasiat Hoedjan Galak Njawang Teu Tinggaleun, tjalikna di pakĕmitan, sila nanggeuh kataweuran, marĕk tapa ka girang goesti, midengdek toewang parentahna.
Ajeuna njaritakeun ramana Raden Tĕgal, noe ngaran Praboe Bangga Kantjana.
Pangeran Bangga Kantjana noe poerah nanggoel sagara goentoer, nambak sagara gĕni, reu-eus meureun, kewat meureun, dja [ 6 ]nagarana; toeloej njaoer ka si Lengser: "Koeta langlang sapeuting toedjoeh kali, ti beurang toedjoeh kali, noe tjarangtjang lanat, noe loehoer handapkeun, noe handap loehoerkeun."
Njaritakeun Djompong heula. Djompong matoer hajang ka pasar, ari noe dibawa pasoeng poetih reudjeung laksa dagangkeuneun: "Noen, goesti, koela pamit, hajang masar ka pasar sore."
Barang balik si Djompong ti pasar, papanggih djeung pawarang Praboe Rangga Kantjana, tjalik dina waroe dojong. Si Djompong oendjoekan ka Praboe Rangga Kantjana, jen manebna manggih istri dina waroe dojong, pantes moen toewang pawarang di Padjadjaran, ajana dina waroe dojong. Tjek si Djompong: „Aideuh, pantĕs moen toewang pawarang di Padjadjaran.”
„Owah, tjoba, Djompong, tejangkeun, owah, geura tejangkeun teteh sija kana waroe dojong, aeh, aeh geura ngiring toewang si njai.”
Bral angkat ngaleut ngaleut ngabandaleut si Djompong djeung Mama Loerah, ngiring noe tjalik di waroe dojong; djĕboel soemping damping dongkap datang poen Djompong ka waroe dojong. „Adeuh, adeuh, geuning lain pangawoelaän; baheula eukeur di Padjadjaran mah geulis, ari kiwari mah koesoet ramboet, gentjel kaen, toelang tonggong siga peuteuj, iga siga pangeretan kareo, euh adeuh, mama, bĕnĕr koela, adeuh bet bareto geulis.”
Tina sabab teu diakoe koe Mamah Loerah, ladjoe dipaehan bae nji Tandjoeng Pakoean, toeloej ditoedjahkeun ka tjoeroeg noetoeg Tjipatahoenan, parakan baranang sijang, top boehaja domas pangmadjoehkeun; boehaja domas pada njĕmbah.
Katjaritakeun poen Djompong moelang, leumpangna pageura geura, pagantjang gantjang, roesoeh paboeroe boeroe koe hajang geura hatoeran.
Noe geulis Lenggang Kantjana datang masang tabe mamoengkoereun, kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, masang tabe geus moengkoereun.
„Owah, toemangtoeng toenggaling goeroe, soemĕdja toenggaling gĕna, gorodjog tanpa larapan, bageja soemping tjalik.”
„Owah, ĕnja atawa lain; adeuh, lain si njai dja baheula mah geulis kabina bina.”
„Adeuh, si eten, ajeuna mah geus ditoedjahkeun koe Mama Loerah ka tjoeroeg noetoeg Tjipatahoenan ka parakan baranang sijang.”
Katjaritakeun noe dipalidkeun njorang kana sapan ki Mananggong. Tidinja pawarangna ki Mananggong njiram, hajang roedjak [ 7 ]hondje, salin pikir, pindah nijat, hajang dahar laoek, lamoen djoedjoeng hajang indoeng, lamoen regis hajang nini nini, lamoen kantjra hajang bapa bapa, goerame hajang tjawene.
Peuting kasĕdĕk beurang, beurang kasĕdĕk koe peuting, kapoepoesan damar agoeng, kapĕpĕsan tjandra dita, tjengklang saeran disada tatanggoehna rek beurang tjĕlĕgong kotok kongkongok.
Gĕrĕdoeg tanghi njai Mananggong. „Adeuh, ki Mananggong, geura hoedang geus beurang. Euh, naon pigara garaeunana, geus heubeul njoehoen njoehoen hoeloe, manggoel manggoel taktak, ngagegembol boewah birit, bĕt kakara aja palamatan kijeu.”
„Adeuh, nji Mananggong, ngimpi naon?”
„Hih, adeuh, ki Mananggong, koela ngimpi katindih manik, katinggang ĕmas ranggeujan.”
„Adeuh, njai, eta mah pirĕdjĕkieun.”
Bral angkat kai Mananggong, moendoet doehoeng ti Gantoengan, kondali sarangka kĕris, disengklangkeun tĕbeh toekang, rek nejangkeun tataheunan, adat adat ki Mananggong dek angkat, memeh angkat laj keupatna.
„Adeuh, njai, girang kaka nĕda amit parasabĕn, kaka dek nejangkeun tataheunan.”
„Euh, kaka, rampes, oelah kĕbĕl bae.”
„Adeuh, njai, mohal kĕbĕl, ngan sakĕbĕl kaditoe djeung kadijeukeun.” Daweung loendang lindeung goeroedag ka pangkalanana, nejang boeboe, loepoet teu meunang; noöng sosog, poös teu eusian; barang nejang sapan bĕt ngagĕdoeg diga tjahaja, ngapoeng ka manggoeng ngapak ngawang ngawang.
„Adeuh, palangsijang banteng itoe dina sapan aing; beuki deukeut, beuki leutik; ana dideukeutan, bĕt beuki leutik bae, datang ka sagĕde peutjang, eta geuning bĕt naon gara garana eta dina sapan aing?”
Beh katendjo boegang njai Tandjoeng Pakoean dina sapan ki Mananggong; adat adat ki Mananggong sok siheun koe boegang, loempat haroehah harihoeh; poelang bloek nangkoeban, blak nangkarak, ngoetahkeun tjadoek leuleundjeuran koe bawaning tjape.
„Adeuh, ki Mananggong, naon gara garana maneh loempat tarik ngabĕtjir, moen gering, gering koenaon? Nja toewang koering noe pinambaaneun.”
„Owah, njai, lain neumoe kasakit kapeurih; dja sangijang sapan disorang boegang.”
„Na koenaon ditinggalkeun? Boegang oge, hade dibawa.” [ 8 ]„Adeuh, njai boro ampar koe mawa, dja kasiheun kaka boegang.”
Tidinja dagdag digdig sangkal singkil njai Mananggong nejang sapan koe maneh, diilikan koe nji Mananggong bari njaoer:
„Ti loehoer sarelang kawoeng, ti handap sarelang langkap, ti tengah kĕmbang saoeheun, ti loehoer pamoeloe ratoe, ti handap moen roepa menak, ti tĕngah lain saoereun.”
Djoeng didjoengdjoeng boegang koe njai Mananggong, diboelak, dibalik; raheut didjampe raheut, peupeur didjampe peupeur; didjampe kahoeripan, kijeu pokna:
„Tjoendoekkeun rahajoena ti timoer, datangkeun rahmatna ti barat, ti koedoel noengkoe noengkoe, ti kaler asoep lingga omas, asoep doewa asoep teuloe asoep gĕnĕp ngoerĕn ngoerĕn, asoep toedjoeh noengkoel noengkoel, asoep soekma kakoeroengan, meudjeuh sare ti pojan, meudjeuh geureuh djeung geureung, kapang kapang djeung gaäng, papasinian djeung tjatjing.”
Toeloej didoedoet ramboetna sakoerĕn, dikoerilingkeun teuloe kali. „Euh, njai lilir tanghi hoedang koredjat!”
„Adeuh, njai, ajeuna salin roewa salin kangaran, ngaranna nja diganti njai Tjiliboma Sari Radja Intĕn Sang rimbang rimbang Boewana; adeuh, sijeup teuing basa iboe.”
Bral angkat moelang ngaleut ngaleut ngabandaleut; grĕdoeg soemping damping ka boemi.
„Adeuh, njai, oelah toemangtoeng toenggaling goeroe, grodjog tanpa larapan, bageja soemping tjalik!”
Katjandakna bokor djangkoeng, bokor djangkoeng simbar kantjana, beunang meuli lima joeta, ditorogan djompong doewa, manan beunang diloempatkeun, sok njoesoen beunang ngaloekoen, sok njeksek beunangna nektek, diseureuhan seureuh euleus, tajoeng garoeng salembar bawa tjileungtjang, dipinangan pinang kĕlang, bawa semah datang ngoejang, diapoean apoe hamboer, sesa taboer tawe meureun soegan sangĕt noe ngalĕmar bae.
Adeuh, oelah dek midjoekoet batoe, midjampang tjadas, namijang lesang, palijas teuing saoer saoerna, dja diseureuhan seureuh koenang seureuh koening, seureuh koening tina djeungdjing, seureuh koenang tina moentjang, dipinangan pinang wangi teuloe adi, dipasikoe tjalakĕti, rogodjol djadi dalapan, ngaranna pasi parawan; diapoean apoe soesoeh ti Malajoe apoe karang ti Karawang, dibeuleum di pipir boemi, disoeloehan koe soeloeh garoe, dipantjaran koe tjandana, ditinjoeh koe ajer mawar, dipalar amis, dilĕmarna tjareuh beureum, tinggaloeng tjalakoetikan, sadoe matjoeng darma meutjang, [ 9 ]mikoetoe simboet koewar sindjang sapala toemarima, lamoen peatjangeanana rampes geura poetjang katjandak lĕmareun satektek dibeuweung diameur ameur, ditjapek diantjeng antjeng, dilĕmar ombak ombakan na toengtoeng landĕp daoen tjoeroeloek, mitjeun tjikeusal ngaloewah ngarantja beureum, kasipoeh karatoean kadjongdjonan koe kamenakan, seupah boeroek dipatjoelkeun ka boeroean padalĕman, mangkana malang njoembirang, tanding kasintoe mantjirang, hapoer diga kĕmbang boengoer, ninggang paroeng kĕmbang dadap, ninggang bantar seor sĕntor, pibedjaeun bisi petal pinembalaneun.
„Adeuh, njai, ajeuna moedoe diwoeroek si Mene ngeujeuk.” Dibere kapas toedjoeh bobot kanteh toedjoeh toekĕl, toeloej tjalik di bale baboet bale gantoeng bale gandjar bale toelis bale keusik paninoenan, angkat ninoen dibandoeng kadalapan satoendjang deui, mendek mental na panangan, nanamboek tjangtjangan baloek pakarana patĕdakan, pakarana ĕmas ĕmasan djingdjingan ti Noesa Djĕnggi limboehan ti Noesa Galoeh barera ti Mĕdangrarang totogan ti Mĕnang kabo; tali tjaor kawat djantra didjingdjing ngirintjing, dikesoh kesoh ngorontjong, gengge ĕmas gengge adoean, heuleut heuleut gengge boewah boengoer, magoetan ka hapit kĕntrang.
Tinoen dilanggoeroepkeun, ari indit ngoesap birit, bisi birit maheum samping, dja larangan boedak ngora, tjipangoelas dibatoerkeun, nja bisi ditotor mejong, kadjeun teuing bisi dikodjajan andja andja.
Matoer ka tetehna njai Tjilibomasari: „Atjeuk aing atjeuk ageung, harendang keujang hajang teuing geura siram ka soemoer bandoeng talaga hoerip pantjoeran djolang salaka.” „Adeuh, indji koenaon ngadadak kijeu sarina njeuri beuteung.” „Aih, atjeuk aing atjeuk ageung.” „Ari teu ngeunah rarasaan mah geura moelih bae ka girang iboe.” Angkat ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut moelang djeung si indji, angkatna naliktik boemi, angkatna nalangtang desa, goeroedag ka padalĕman, masang tabe ka moengkoereun gorodjog tanpa rarapan bageja soemping tjalik, gek tjalik di padalĕman. „Pangapoentĕn, girang iboe, koenaon nja rarasaan ngadadak njĕri beuteung, kitoe oge ngatoerkeun beuheung teukteukeun, iga rakrakkeun; ti loehoer sa sikĕt ramboet, ti handap saroendaking dampal.”
„Adeuh, indji, badeng njĕri beuteung, deuk ngadjoeroe.”
„Soekoer teuing soehoenan iboe elok noeloeng.”
„Euh, indji, rampes dek ngadjoeroe mah.” Boeg ebog si indji tadjam ngaheudjeun sakali kadoewana, boeroelak ngadjoeroe, dioeroesan, dibaroetan, diberesan. Katjaritakeun peureuhan teuloe poĕ teuloe peuting; barang meunang toedjoeh peuting pek peureuhan deui. [ 10 ]Katjarita tjenah eta boedak tjeurik bae; geus boengbĕng noe menta oebar, goemĕdĕr eusina lĕmboer menta oebar lalampahan sapoë.
Ki Mananggong kasoesahan kapepenan kapanasan kahijangan; leret nji Bomasari: „Palangsijang, girang rama, si oetoen teh menta ngaran; geura ngaranan bae koe toewang rama.”
„Ih, njai, ngiring pikĕrsaeun.” Pek dingaranan Raden Tĕgal Soekma Djaja Toenggoel Mĕnoer Toempang Sari Raden Djaksa Katalajah Noe Seda Dina Waroe Dojong Andĕgna Di Bodjong Mananggong. Djĕmpling geus kitoe mah si oetoen heës beurang djeung peuting.
Diajoen koe girang iboe bari dikawihan: „Ajoen ambing lila njaring, manan njaring koe di sanding, ajoen poentang lila hoedang, manan hoedang koe digoewang, oetoen meudjeuh oelah poendoeng, dja sija geus dinamaan, nama sija Raden Tĕgal, ganti peuting beuki gĕde, tjenah Raden Tĕgal.”
„Owah, soehoenan iboe, hajang ditjangtjoetan.”
„Euh, soehoenan anak, hajang ditjangtjoet mah rampes; adeuh, oetoen, badan iboe noe njangtjoetan inja.”
Ditjangtjoetan tjangtjoet aloes, disindjangan sindjang lesang, matak tisaradat toema, matak neundeut laleur, matak tidagor aro, beunang ngalijar di djĕro lijang.
„Adeuh, girang iboe, soehoenan poetra hajang oelin.”
„Hade, toewang poetra, tapi oelah djaoeh teuing ngoeliling di pipir boemi, katjatjangan na pamidangan, koeriling ka pipir leuit.”
Di dinja girang kai ngadjeudjeut boeboe; matoer si oetoen: „Naon, girang ejang, ijeu noe ngalowong?”
„Adeuh, oetoen, seungkeur boeboe areuj mangender, oelah diheureujan, oetoen, boeboe tereh anggeus.”
Dirĕboet koe si oetoen seungkeur boeboe.
„Tjoba, girang ejang, ijeu seungkeur boeboe pangdengdengkeun.” Ladjoe ditjandak ka padalĕman.
„Rampes, oetoen, geura njoesoe.”
„Owah, soehoenan iboe, hajang oelin deui.”
„Adeuh, soehoenan poetra, rampes deuk oelin deui mah.” Leret njai Mene, rek matoer lain koe loekoen, dek njĕmbah lain koe bantal, lamoen hade koe lemek bae.
Soekoer dara ditangtoeng, sabda dara dikĕtjap, oelah tjitjing poetjoek paling, babar pisan lĕkas bentes, bentarakeun kabangbing sakit kabingbing, hajang katolodjo bogoh, boga hajang moepoe kĕmbang ka Tĕgal Alas Malati Toempang; lamoen rĕmpoeg sama [ 11 ]doeloer, soemĕdang toeroen kasoeka, moen tahoen tahoen danoeh, moen boelan boelan semaga, meungpeung poë poë wage, hajang nindak poë ijeu bae, adeuh, kitoe oge koedoe matoer ka girang iboe.
„Adeuh, girang iboe, ijeu kami amit matoer hajang moepoe kĕmbang ka tĕgal Alas Malati Toempang.”
„Rampes, indji, dek moepoe kĕmbang mah, tapi oelah dipoepoe mantjĕran tangange.”
Sĕmproeng angkat noe moepoe kĕmbang; groedag soemping damping dongkap datang ka tĕgal Alas Malati Toempang; handjoewang loengsir tĕbeh gigir, handjoewang bokor tebeh djĕro, handjoewang paros tĕbeh loewar, noe djaoeh dirandoek, noe anggang direngkas, noe bagoes pitjoetjoendoekeun, noe seungit pisoesoempingeun, noe haneut geusan tatap beuteung.
Katjaritakeun di nagara Koeta Madjangkar, anoe djadi ponggawa Rangga Patala; adina istri Lenggang Wajang. Rangga Patala njaoer ka adina:
„Adeuh, adi, akang kabangbing sakit kabingbang hajang ka noe djaoeh lĕmboerna, anggang nagarana di nagara Goenoeng Singgoeroeh, katĕgoeh koe nagarana bae, noe kasep Raden Singgoeroeh, adina istri noe geulis Lenggang Singgoeroeh; ponggawa ti Koeta Madjangkar ngĕrsakeun papanggoengan di djabakoeta Goenoeng Singgoeroeh; ajeuna indji koedoe asoep ka djĕro nagara, girang raka koedoe dipinanjaänkeun.”
„Ngiring, toewang pikĕrsaeun.”
Bral angkat njai Lenggang Wajang, njandak kandaga kantjana, seureuhna galigiran ĕmas sagĕde koeroeng kasintoe; soemping damping dongkap datang ka padalĕman, pok masang tabe: „Atjeuk aing, atjeuk ageung, masang tabe mamoengkoereun, kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, tabe sapoen miloe ngandjang.”
„Rampes, adi, toemangtoeng toenggaling goeroe, grodjog tanpa rarapan, rampes, tjalik ka boemi girang teteh.”
Gek tjalik, matoer lamoen biwir biwir andjingeun tikoro kotokeun, roewah riwoeh sok hajang nanja bedja, sok inggis manan maoet hinis, sok reuwas manan toempak djeuntas, asa tjoenggĕlik di hoentoe kĕris, tjoengkĕlang di hoentoe pĕdang.
„Adeuh, teteh, oelah inggis, oelah reuwas pibedjaeun, meureun aja soepaja saeutik iloe ka gĕde babatakan; kĕmbang peuteuj sok mĕndoel katoengtoengnakeun, madjar maneh mah kabita koe deungeun deungeun; poëk mongkleng disasaran, aleum dideudeul koe iteuk, anggeuj anggeuj mawa seureuh sewa ka pandjang hĕlaran, lamoen [ 12 ]sapoek sama doeloer reong reung tineung soemëdang toeroen tisoeka.”
„Adeuh, adi, lain nampik lain njikang lamoen ka ratoe Rangga Patala, sabab ratoe kasoehoer boeroeng menak kawoelang edan, leutik boelan seutik boeroengna gĕde boelan seutik ingĕtna, boeroeng noekoeh edan mangkalan; kilang kitoe oge, ari maksa mah lamoen kasorang ngadogdog njijeun arotan, ngadadak njijeun karija di nagara Goenoeng Singgoeroeh sababantjik hoeloe, noe, geulis girang atjeuk soemangga.”
Bral moelang deni njai Lenggang Wajang ka djabakoeta, ditanja koe rakana Rangga Fatala: *Koemaha, indji, boga beabeanangan?
„Owah, raka, di ngaranan boga, dja hĕnteu boga; dingaranan tea boga beubeunangan, dja boga; adeuh, kakang, gĕde teuing pepentaänana.”
„Owah, adi, menta naon?”
„Euh, akang, hajangeun sababantjik koe hoeloe noe geulis di Goenoeng Singgoeroeh.”
„Adeuh, adi, gampang sakitoe mah, nadjan njijeun langit oge, girang kaka bisa; adeuh, indji, oelah leumpang sadjangkah indit sanjari, toenggoean papanggoengan; pileuleujan manoek oendar kaditoe kadijeu deui, tjidoeh kĕmboeng ninggang paroeng ninggang bantar balik deui ka badan adi; adeuh, adi, meureun girang raka balik deui.”
Sĕmproeng menak noe ngapoeng, adat adat menak dangdan sangkal singkil, dagdag digdig djoemĕdoed, bari ditjangtjoet daweung, taja ka keueung, daweung bade loedeung, soemping di baroengboeng riboét, soemping di tjahajaning angin, groedag ka tji karapak seah ka patapaan hoedjan, toeloej ka pagoeroeh ka patapaän goentoer, toeloej ka patapaan goegoer njeleket ka panon poë, ngaliwat ka papaking sarangenge, soemping ka para memega, ka mega beureum, ka mega hideung, ka mega si karambangan, ka mega si karimbingan, ka mega si karantënan, ka mega si karajoenan; groedag ka mega malang, ngalirik ka mega njodor; toeloej niis di mega njodor, ngitoeng ngitoeng sandi tahoen, ngedjer ngedjer sandi poë, milangan sandi boelan, ngalirik ka boewana pantja tengah; blas ka tĕgal Alas Malati Toempang, katoeng kapintan ka noe keur mĕtik kĕmbang, ka noe geulis Boma Sari Radja Intĕn Kombara Sang rimbang rimbang Boewana. Pontengkeun lenggokkeun mastakana ti handap, brabat sejor loehoer ti manggoeng, ronggejat ti awang awang; groedag datang.
„Lamoen sakti ti leuleutik asak tapa ti boeboedak, itoe njai Boma Sari mangka deukeut kadijeu ka aing. [ 13 ]Ngadadak kingking tiiseun di tĕgal Alas Malati Toempang. Adeuh, indji, aja naon ngadadak kijeu rarasaan?
Semproeng pada laloempatan njampeurkeun ka Raden Rangga Patala; toeloej dikandoeng, dibawa loempat; tidinja rĕg ngarandĕg mikir mikir, ari leumpang toeroet taneuh, warang woeroeng di dongdon njingtjing tjalana giringsing, tjawĕt tjara pokek, ngadĕdĕl ngeumbing langit, njakar mega, sĕmproeng ngapoeng ka manggoeng datang kandek kandek, tangan kolejang kahandapkeun deui; groedag datang ka papanggoengan, gek tjalik ka papanggoengan. Ditanja koe adina.
„Adeuh, girang raka, ngandoeng naon, gĕde gĕde teuing?”
„Naon naon bae, wantoe wantoe noe ngalasan, soepa kolot oge dikandoeng.”
„Adeuh, girang raka, lamoen soepa kolot kadijeukeun, badan adi noe ngasakan inja.”
Pek bae dilaän tina kandoengan, gorolong si dĕmpok denok, gereleng si megleng koneng.
„Teu soedi teu radin teuing, aing aja di dijeu, katineung djĕnĕng si oetoen didjingdjing rambing, diiwat heulang, diiwat koe anak deungeun, teu soedi teu radin teuing, dipake noetoe koe djĕnggoe, dipake napi koe djĕnggi, dipake ngedjo koe badjo, aing geura poelangkeun ka nagara aing nagara Bodjong Mananggong.”
„Adeuh, njai, mohal dipoelangkeun, mana dibawa kadijeu, dek dipake babantjik; aeh, indji, top geura omongan.”
„Adeuh, atjeuk aing atjeuk ageung, meudjeuh harewos, meudjeuh nangis, djaga geh oerang kasorang ngasoeh ratoe ngajak menak.”
„Owah, Lengser, geura bawa ka pamanggahan kaoebna gĕbang noenggal.”
Toeloej hijangan para gĕlangan widak widak sangrama; toeloej matoer ka si Lengser.
„Owah, Lengser, ajeuna toeloej ngadadak karija, hajang meunang goöng toedjoeh bangoenan angkloeng salawe tatapan; owah, Lengser, moending geus meunang sabraha?”
„Adoeh, sĕmbaheun, moending meunang salawe kandang eusina panjalawean, di loewar salawe deui.”
„Adeuh, Lengser, atoeh lakoe pikeun ngadogdog njijeun arotan.”
Katjaritakeun Raden Tĕgal keur tjalik di padalĕman.
„Euh, girang bibi, kamana soehoenan iboe mana euweuh?”
„Owah, oetoen, oelah disijar toewang iboe didjingdjing bangbing, dipantrang heulang, diiwat koe anak deungeun.” [ 14 ]„Adeuh, girang bibi, moal warang woeroeng didongdon tea kawawa koe hajang nginang.”
Laoer Raden Tĕgal leumpang sakaparanparan, njorang lĕbak, mipir pasir, blas ka tĕgal Alas Malati Toempang.
„Beu ĕnja, soehoenan iboe aja noe ngiwat!”
Tonggoj Raden Tĕgal njoesoel girang iboe, blas ka nagara Goenoeng Singgoeroeh, gok papanggih djeung girang iboe; toeloej rap nginang ka girang iboe.
„Adeuh, geuning si oetoen njoesoel.”
„Owah, iboe, toewang poetra hajang nginang.”
„Oetoen, meudjeuh nginang, nginang dja iboe geus teukteuk beuheung tigas mastaka, bakal dipake babantjik, dilijoeng koe pangoeloe tandang sapada baris toembak sapada baris bĕdil.”
Gĕr ramening ngamoek Raden Tĕgal dorogdog waja kamana, njoedoek ngatoehoe, ngadoepak ngentja, aja beunteur beubeureuhan, aja bogo bobogohan, bawaning ramening pĕrang noe kasep Raden Tĕgal; bebas kabeh koe Raden Tĕgal.
„Adoeh, oetoen, geura oendoer njijar lĕmboer noe sikloek mandala noe sengkal, njijeun lĕmboer kamatoehan dajeuh kamaneuhan, bandjar karang pamidangan, njijar tampijan noendjang ka langit, badan iboe piindangeunana.”
„Adeuh, iboe, mohal oendoer hajang tjoendoek lĕlĕboer datang pĕpĕrang ti nagara Goenoeng Singgoeroeh.”
Tidinja mah hahaok sosowak Raden Tĕgal nangtang pĕrang ka noe kasep Raden Rangga Patala, ponggawa di Koeta Madjangkar.
„Haih lamoen ĕnja noe kasep Rangga Patala lalaki di djĕro boemi lalanang djagat, geura toeroen, soegan aja lĕmboe beunang ngoengkoeng, aja badak beunang njangtjang, nja ajeuna oerang pĕrang tandingan!”
Owah, datang moesoeh satroe toetoeroenan, atoeh datang mah meureun dja poegoeh diogan, seug neukteuk lamoen loedeung, tjek ngadek lamoen daek, kamana pinibaeunana, kadijeu koelit bingbin poerasani, poek hampoel asa kapoek, pak hampang asa kapas, soedoek maroe tinggang baradja goelingan, djĕkek ting baranjaj ting goerilap ting djarĕkek bawaning koe rame pĕrang noe kasep Raden Rangga Patala ponggawa di Koeta Madjangkar djeung noe kasep Raden Tĕgal, ditewak tjangkengna Raden Rangga Patala koe noe kasep Raden Tĕgal, dialoengkeun hijoeng hijoeng ka loehoer ka sang roemoehoen ka handap ka sapatala, didjĕdjĕk, djĕkek modar noe kasep Rangga Patala. Haok sĕntor noe kasep Raden Tĕgal nangtang [ 15 ]deui ka sakabeh kadang wargana. Toeroen noe kasep Raden Singgoeroeh, daweung daweung noe rek angkat pĕrang, silih awoer koe tjidoeh, silih boera koe pangabisa, silih tjolok siki bolor gilĕr, silih tjaboet tjatjangtjoetan, silih banting bĕbĕngking, rekep keukeumbinganana Raden Tĕgal; papijoeh paädoe poejoeh, pageleng paädoe tjeleng, gĕr bae ngadoe kasaktian gĕro ngagĕro Raden Singgoeroeh.
„Adoeh, rai, meudjeuh, oelah dikijeukeun, ijeu girang raka taloek, amit ampoen, girang raka asoep oeloen koemawoela, kabeh kabeh ijeu lajoean seren teu borong soehoenan rai, hajang dihiroepan deui.”
„Adeuh, gampang, raka, gampang.” Di oelas koe tjidoeh bari didjampe koe noe kasep Raden Tĕgal, tingkoredjat kabeh pada hiroep deui, pada tjalik ka padalĕman ngaradja di nagara Goenoeng Singgoeroeh.
Heubeul ti heubeul Raden Tĕgal hajang angkat moelih ka nagara Bodjong Mananggong, moeroed angkat sanagara ngaleut ngeungkeuj kaja otet ngiring noe kasep Raden Tĕgal.
Soemping damping dongkap datang ka nagara Bodjong Mananggong, tjalik ka padalĕman, djadi radja diiring koe ponggawa Raden Rangga Patala, kai Mananggong djeung noe kasep Raden Singgoeroeh. Heubeul ti heubeul ti nagara Bodjong Mananggong pindah ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut, rangkad sadjagat ka nagara Pasir Batang Karang Tĕngah, moelih ka nagara ramana Praboe Rangga Kantjana; papatihna Praboe Koeda Kantjana, linggihna di babalean, lengreng baris ponggawa di babalean.
Katjaritakeun baris pawistri tjalik di padalĕman; nja didinja lĕmboer matoeh dajeuh maneuh koemawoela ka ramana Praboe Rangga Kantjana. Djĕmpling noe kasep Raden Tĕgal hĕnteu katjaritakeun deui. Noe djadi papatih dalĕm Pangeran Koeda Kantjana reudjeung Raden Singgoeroeh; leuleuj raeut loeloes roentoet.
——————