Badoejsche Pantoenverhalen/Lalakon Koeda Wangi
[ 26 ]
IV.
LALAKON KOEDA WANGI.
——————
Radjahna: Awaking dek make pasadoean ka loehoer ka sang roemoehoen kandap ka batara batari ka Batara Sewaklarang, ka loehoer ka Sangoembang ka Sangamboeng, tĕroes ka Soekma manglawoeng, ngamitkeun poetra sahidji, noe pandjang pilalakoneun ti wĕwĕngkon koeta, kasang ti mĕrĕdja, boengah larang basa moendoet ti lĕmah loehoer, tingkang ti boemi, santana tĕboek di pangloenggoehan, sampar di pangoembaraän, sĕpi dina pangtjalikanana, njoenggoeh kana kasoer baboet, njanda kana kasang goemĕlar, njarande kana lalangse tjinde.
Katjaritakeun seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran noe djĕnĕngan Praboe Moending Liman ngadoenoengan ka noe geulis Lenggang Kantjana; ponggawa nĕnggang sorangan noe bagoes Pangeran Koeda Kantjana.
Katjaritakeun dikiriman pandakawan Rakĕtjik toelis bangkong pawara pamĕkĕlan boengah larang, bisi ratoe kaewoehan, bisi menak kasangsara di tanah pangoembaraän.
Katjaritakeun Praboe Moending Liman kapalajoe koe itoengan, kandjongdjonan koe paratan koe pawistri ti Goenoeng Wangi.
Bral leumpang sapeupeuting djeung pandakawan. Groedag soemping damping dongkap datang ka alasan Goenoeng Wangi. Tidinja ditoenda di toetoegan Goenoeng Wangi di tegal Ela Kandĕl.
Katjatoerkeun noe kasep Koeda Wangi mikat poejoeh di alasan Goenoeng Wangi djeung adina nji Lenggang Wangi. Ari poejoehna digamahan koe adina nji Lenggang Wangi, poer poejoehna ngapak leungit ilang tanpa karana.
Tidinja ditjarekan adina koe girang si kaka.
„Ideuh, girang kaka, oelah arigangsong teuing di leuweungna di wenteuhna.”
Toeloej ngadĕgkeun papanggoengan, gek tjalik dina papanggoengan. Ditjatoer deui noe ditoenda dina Ela Kandĕl, ditejangkeun koe noe geulis Lenggang Wangi, toeloej dibawa kana papanggoengan. [ 27 ]Toeloej Praboe Moending Liman koe Praboe Koeda Wangi ditjawistrakeun ka adina Lenggang Wangi. Didinja geus gĕnah di alasan Goenoeng Wangi dina papanggoengan.
Katjatoerkeun dahoewan dalĕm ti nagara Pasir Batang leungitan girang tjarogena; nja kapanggih dina papanggoengan di alasan Goenoeng Wangi.
„Ideuh, praboe lantjeuk, kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, masang tabe kamoengkoereun.”
„Ideuh, girang adi, oelah toemangtoeng toenggaling gĕna, grodjog tanpa larapan, rampes tjalik ka girang adi.”
Tidinja ditanja: „Koemaha dek ngabadik ngabaratanghi didijeu atawa mohal?”
„Ideuh, girang praboe, hĕnteu, mohal heubeul dja teu karasan didijeu di leuweung di weuteuhna, dek balik deui bae ka nagara Pasir Batang.”
„Ideuh lamoen dek balik, mihape girang si indji, dja mohal balik ka nagara Pasir Batang.”
Bral balik saha noe ditoeroet saoer, didenge tjarek noe bagoes Mama Loerah, bat pangĕmban dalĕm Hatoet Goegoer Boesijat Hoedjan Gĕlap Njawang Teu Tinggaleun, bat tjena seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran, bat girang doenoenganana noe geulis Nimbang Kantjana, bat dahoewan dalĕm noe bagoes Pangeran Koeda Kantjana.
Toeloej angkat di leuweungna di weuteuhna, koeroesoek di reuma boesoek, katjatjang di reuma lantjar, dangdeung ka sampalan ageung; goeroedag ka pisawahan. Soemping di sawah toenggilis di sawah lĕga tjoendoek, ti sawah marijoek soemping di sawah toengigilis. Goeroedag ka sawah tadah tande hoedjan ngaranna tipar teja. Groedag ka lawang kikis, lawang kikis bahan djati, toelak soengsoeng beusi woeloeng, kratag tjatang kalapa disoengkian koe tjatang pinang, bisi aja badjo ngalalana, nalangkas kasampak mega, nemplang ka deupa sisir. Goeroedag ngalalar di djabakoeta, soemping di lawang saketeng di aloen aloen pasar agoeng, ganggalang singaboeroean, tjalik ka padalĕman; nja didinja gĕnah toemaninah di padalĕman nagara Pasir Batang.
Njaritakeun Mama Loerah aja di pakĕmitan kapoeroejan koe tjiiboen, kapanah koe tjandradita, katodjer koe sarangenge, sila nanggeuh kataweuran, marĕk tapa ka girang goestina, midengdek toewang parentahna. Toeloej njaoer girang goesti.
„Owah, kaka toeha, masing amit paraniti, masing bisa paratjeka ngaraksa diri di mantĕn.” [ 28 ] Njaoer Mama Loerah: „Owah, kasĕlap masing amit paraniti, masing bisa paratjeka, ngaraksa diri di manten.”
Njaritakeon deui noe kasep Koeda Wangi keur tjalik di papanggoengan di alasan Goenoeng Wangi. Toeloej njaoer: „Aeh, simadjar kangaing tea karasan, hajang niis ka mega njodor.” Ngagantoeng tjaiana woeloeng, ngaganggĕng tjaiana giringsing, dikampoehan kampoeh aloes, disindjangan sindjang lesang, na sindjang teu pati lesang, matak titeundeut laleur, tisaradat toema, tidagor aro, disaboekan saboek wajang, boeka tjĕmbang lelengkang wajang soeroentoej, diïkĕtan tjara padjoerit, sok rĕnjĕk beunang nilĕp, sok rĕntjang tadjoer pinangna, moendoet doehoeng ti Gantoengan, kondali sarangka kĕris, montjorong pendok di ganggong, pĕndok ĕmas ginggilapan, manteleng pamĕndak intĕn, dilandejan koe kantjana, pĕti manik beunang ngoekir, oekiran aki Djawirin, direkakeun mĕrak sinting, ditoöng diga dek njongtjong, ditilik diga dek mintih, disoren dikadjongankeun, direunteut na peupeuteujan, dak dĕk kĕbo kapatĕr, kĕbo malang katitipan koeraboena pat gĕnteng hama patang tjangkeng, noe koneng goeloesoer ajoen, noe toeroen gontewang datangna ka lĕmah nangtoeng, ngalĕngga wastoe ngabangkeneng noelak tjangkeng.
Lamoen aing asakti ti leuleutik, ngĕmbang seda di boewana hajang ngambang awang awang, njingtjing tjaiana giringsing, tjawĕt leneng tjara pokek, ngĕmbing langit, njakar mega, ngadeudeul ka Koempaj, boewana lenggok brabat sijat, soemping di tjahajaning angin, tjoendoek di baroengboeng riboet, goeroedag ka Poeatji tjikarapak sejah patapaän hoedjan, toeloej ka pagoeroeh ka pagoentoer ka patapaän goegoer, soemping mipir mipir katoembiri mapaj mapaj tedja tedja, mĕntrang njeleket ka panonpoë, goeroedag ka para memega, ka mega beureum ka mega hideung ka mega si karajoenan, goeroedag ka mega njodor; toeloej niis di mega njodor, noendjoek noendjoek para moenggoe milangan para moehara, ngilik ngilik para boekit; blas ka nagara Noesa Bini. Tentong tĕmbang rawat rantjang ka nagara Noesa Bini. Toeloej njaoer nanja ka dahoewan dalĕm naon mana bagoes bagoes teuing dek ngadjaran, tajoh moen pawistrina geulis, tajoh moen ponggawana kahot. Toeloej ngaloentjat ti mega malang kahandapkeun; brabat brabat loer ti manggoeng ronggea ti awang awang, ngaloentjat ka lĕmah; goeroedag datang golosor kana babatoe woeloeng ka si kalang padjoeritan, nangtang pĕrang tanggeuhkeun djangga mastakana ka djĕro nagara: „Soegan aja lĕmboe beunang ngoengkoeng, aja badak beunang njang[ 29 ]tjang, soegan aja lalaki mĕndi lalanang djagat, lamoen beubeur hajang padjeueung, lamoen bebene hajang papangantenan, kateumoe nanggoeng hajang tjentang pĕrang lalawanan.”
Njaritakeun di nagara Noesa Bini Raga Geulis Ratna Sanggini matoer ka ratoe Noesa Bini: „Ideuh, praboe lantjeuk, boga atawa hĕnteu dedengean? girang si adi noe boga dedengean, tjoemĕloek lain wawangkoe, tjoemĕlak lain heulang pakan koendang; eta mah tjoemĕloek ngadjak poepoes, tjoemĕlak ngadjak hilang.”
„Ideuh, girang adi, dimana eta noe tjoemĕloek ngadjak poepoes, tjoemĕlak ngadjak hilang?” —
„Ideuh, girang kaka, dedengean badan adi dina babatoe woeloeng dina kalang padjoeritan.” —
Tidinja ditoeroenan koe ratoe Noesa Bini, babatokan wakoe gadoeng, katodjo mah nja aja pimoesoeheun: seuh mangseah lamoen loedeung, tjek ngadek lamoen daek, moemoel miheulaan girang si adi mah.
„Ideuh, girang adi, teu milih kasihkeun, pandeuri daek, tiheula daek, djorogdjog moendoer ka toekang.” Seredet narik panganggo, sok hoeroeng gagaboesan, sok herang kakadapanana, sok lerom beunang njongoan berean soedoekeun.
„Ideuh, girang si adi, sakarĕp nibakeun kakoelit dingding poerasani.” Poek hampoel asa kapoek, awak hampang asa kapas, asa nimang kapas salĕmbar, soedoek maroe ninggang bradja goelingan, djĕkek asa nĕboek karang noenggoel, asa neker karang djahe, gĕmbrang asa njoedoek pandjang soemadi, beusi nĕrak ka koelit, anggoer koelit nĕrak ka beusi. Toeloej moendoer djoewal tanpa ladang, soegan bantĕr pipamoelangeunana. „Sakarĕp nibakeun girang adi, soemangga.” Disoedoek sakali, kadoewakalina bĕntenna boeroelak oetjoet, brak katarandjangan. Toeloej poendoeng ratoe Noesa Bini, lemek ponggawa sora pawistri:
„Ideuh, mohal teu njaho di nagara Noesa Bini euweuh lalakian; ajeuna oerang kaändjangan lalaki; idenh, indji, geura beunangkeun.”
Ngaleut ngaleut ngabandaleut oerang Noesa Bini noemboe noemboe karembong. Toeloej noe kasep Koeda Wangi dilandjakan koe karembong. Toeloej loempat noe kasep Koeda Wangi ka laoet ngarawel leusoeng sapotong pake parahoe datang ka pangkalan.
„Lamoen aing asak sakti ti leuleutik, asak tapa ti boeboedak, mangka adĕg parahoe si pĕlangsari.” Tjlak ditoempakan parahoe loetjoe di laoet; lajar tabak di sagara sok njĕdot njoropot, adat adat oerang Noesa Bini kabeh tabak ngodjaj, dĕr bae ngarodjajan tektek djampe papat landjaran hĕnteu siheuneun. [ 30 ] Bral baralik deui oerang Noesa Bini saĕnggon saĕnggonna. Njĕmproeng noe kasep Koeda Wangi djodjong ngĕlik ngĕlik kamoedina, ngabarabaj lajarna, reup sasarean di manggoeng parahoe noe kasep Koeda Wangi, datang ngareup lĕgok poelo Kantjana, ngalar natag ka Sangijang Gosong Lalar, lilir tanghi, koredjat hoedang.
Tidinja tĕmboeng Sangijang Gosong Larang, dibeberkeun lajar dampal soekoena djĕgoer. Tidinja mantjat ka lĕgon poelo Kantjana. Toeloej asoep ka djĕro nagara lĕgon poelo Kantjana, tidinja masang tabe ka noe geulis Nimbang Kantjana: „Ideuh, girang adi, girang kaka madak widi reudjeung ati hajang miloe eureun.”
„Ideuh, girang kaka, didijeu mah telok njalikkeun semah.” Tidinja bral oendoer deui; ari datang ka djabakoeta, ngĕmbarkeun ikĕmat domas landjaran, ditijoepkeun ka djĕro nagara, salin pikir pindah nijat noe geulis Nimbang Kantjana. Njaoer ka noe kasep Koeda Wangi:
„Ideuh, girang kaka, oelah toemangtoeng toenggaling goeroe, soemĕdja toenggaling gĕna, bageja soemping tjalik ka girang si adi.”
„Ideuh, girang adi, teu kokodoreun teuing.”
Kijai andang semah bagoes meudjeuh poendoeng pamali teuing.
„Ideuh, adi, teu pindo gawe, teu pisan pisan.” „Kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, masang tabe kamoengkoereun, rampes, tjalik ka girang si indji.”
„Ideuh, indji, kamana praboe lantjeuk?”
„Owah, girang kaka, praboe lantjeuk mah eukeur tapa ngabisoe di sangijang tjadas poetih.”
„Ideuh, girang indji, saoemoer si kaka telok manggih noe tapa ngabisoe; girang kaka hajang noeroetan dimana tapana.”
„Aeh, girang adi ngiring toewang pikĕrsaeun.”
Toeloej lemnpang reudjeung djeung girang si indji.
„Ideuh, eukeur naon praboe lantjeuk aja didijeu, tonggoj teu ngawaro waro.”
Garetekeun tjena disintirkeun silana barina nangtang pĕrang: „Seug neukteuk lamoen loedeung, tjek ngadek lamoen daek, ngadoe baloeng pĕrang tandingan kabogoh aing ti boeboedak moela.”
Silih kĕdjoet tjatjangtjoetan, silih banting pĕrang tjentang lalawanan, papijoeh paadoe poejoeh, pageleng paadoe tjeleng, poeng ngapoeng boengkoel toe-oerna; pageleng tjangkengna, roeboeh kakatoehoe golepak kakentja, ngoredjat sadoewana, baloeng asa beusi belengkeran, sagĕdjigan andjing saporentang koeda leupas, poendoeng kajangĕnan, karatjak amarahna noe kasĕp Koeda Wangi, geura ta[ 31 ]gĕnan digiling koe pingping, digalang koe dada, onggeng onggeng kadiga birit, noe njiktjrik digoeloeng koe banteng, digĕdag koe badak, salapan hĕnteu gedag gedag atjan, pantĕs moen djangkaran ka sapatala.
Ideuh, lain koe kitoe, girang adi, geureuh geureuh sawan geureung boeboer nja kapadjaoehan, sendok tangan pangawasana barabat djĕbat berebet djĕbet kapalare amat milare, boegang disabĕtkeun, prok babatokna, prek tangkorekna.
Tidinja adina njaoer: „Kakang aing kakang goeroe, hajang inenta panghiroepankeun.” Asoep oeloen koemawoela ka noe kasep Koeda Wangi, noe raheut didjampe raheut, noe peupeur didjampe peupeur, tjoendoekkeun rahajoena ti timoer, datangkeun rahmatna ti barat, asoep soekma kakoeroengan, koredjat hoedang.
Tidinja mah asoep oeloen koemawoela, naloekkeun dirina djeung rahajatna.
„Ideuh, lamoen tĕmĕn girang adi asoep oeloen koemawoela poelang ka nagara Pasir Batang boro girang si indji noe geulis Lenggang Wangi; ari pangawakan mah teu deuk poelang. Dja tanggĕl keneh pilalakoneun, ngaleut ngaleut nganjareundjeut pindah ka nagara Pasir Batang.”
Noe kasep Koeda Wangi leumpang saparan-paran noetoerkeun indoeng soekoe; goeroedag ka Goenoeng Malela. Didinja noe kasep Koeda Wangi eureun, toeloej angkat kadjĕronagarakeun, bari moepoe kĕmbang mapaj tadjoer, noe djaoeh direundoek, noe anggang direngkas, noe haneut geusan tatap beuteung. Didinja ngĕmbarkeun sirĕp noe bagoes Gagak Wirapanggoeng Djaja djeung deui Gagak Malela.
„Aing dek ngalalar ka babalean, ideuh, indji bakal kaändjangan semah geura oendoeran.”
„Aeh, girang kaka, tjoba oerang sampeurkeun.”
Girang si indji dirawoe, dikandoeng sadoewana beseset kana kandoengan.
Tidinja ditanghikeun girang kakana; djĕmpling teu ngadjawab. Tidinja doer der ngamoek përang, silih soedoek uoengkoe noengkoe; kirintjing sorenna kĕris, golondjrang bawana pĕdang, droengdoeng sorenna doehoeng, silih banting silih kadek; golepak Pangeran Gagak Malela, eleh pĕrangna; prok babatokna, prek tangkorekna, ditoedjahkeun langgosar.
„Ideuh, girang si kaka, koedoe dihiroepan, girang si adi soegan daek asoep oeloen koemawoela.”
Hĕmpak taloek ka noe kasep Koeda Wangi. [ 32 ] Tidinja Koeda Wangi ngapoeng ngoewoeng ngoewoeng, ngapak ngawang ngawang, niis deui ka mega njodor. Katjaritakeun di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang lengreng ponggawana doewa. Ari pawistrina Ratoe Manik djeung Lenggang Haroeman.
Njaritakeun oerang Goenoeug Teuloe, ponggawana Moending Giringsing Dĕdĕg Kĕling Aria Soetra Pandjaling. Ari hidji deui Koeda Malela djeung Tjandri Malela; pawistrina Lenggang Malela djeung Poetjoek Sari Ratna Wĕntang; ngandih nagara hajang ngadoenoeng ka noe geulis Lenggang Haroeman.
„Ideuh, girang praboe, mohal hade; oerang bikeun bae si indji.”
Toeloej ngandang kahijangan paragĕlangan, ngajakeun goöng toedjoeh bangoenan djeung angkloeng salawe tatapan, ngadĕgkeun karija.
Kadenge ka mega malang koe Koeda Wangi sora tatabeuhan.
„Ideuh, naon ijeu pigaragaraeunana ngagoeroeh sora tatabeuhan djeung sora noe tjeurik?”
Toeroen deui noe kasep Koeda Wangi ti mega malang ka nagara Pasir Batang, kasampak noe geulis Lenggang Haroeman keur nangis: „Kamana beubeureuh aing noe kasep Koeda Wangi? Geus djangdji pasini pasangsoebaja, kamana hiridangding na sabarang parana? Ideuh, girang si kaka, lamoen tigin ka djangdi, bela ka lisan, geura soempoetkeun girang si indji.”
Toeloej digelengkeun sagëde katjang, diteundeun dina ĕlak-ĕlakan Koeda Wangi. Aeh, hajang ngaboeboentjir beuteung ka djĕro nagara, ngadjadi angin leutik kana pameuleuman, pek njĕlangan ngoromong sakeudeung.
Ideuh, aing hajang miloe njĕpah ka panganten, njoesoen beunangna ngaloekoen, njeksek beunangna nektek, dengdekkeun ngagawing doehoengna dikeureut kana pingping; serewel teurak dipaoet seot katjongo, sirisit kabeuti. Toeroen noe kasep Koeda Wangi, top njokot hoeloe kĕbo.
„Lamoen aing asak sakti asak tapa ti boeboedak, masing djadi noe geulis Lenggang Haroeman.”
Djlĕg djadi noe geulis Lenggang Haroeman gahgah seuri: Kakangaing kakang goeroe, kasilib boedi katjakra tinggal koe papada boedak ngora.
Ladjoe noe kasep Moending Singsing Dĕgdĕg Kĕling nangtang pĕrang ka noe kasep Koeda Wangi. Toeroen Gagak Malela djeung Tjandri Malela, teu mahi deui bae. „Seuh mangseuh lamoen loedeung, soegan aja lĕmboe beunang ngoengkoeng, aja badak beunang njang[ 33 ]tjang, mangsana pĕrang arotan.” Der pĕrang rame papijoeh paädoe poejoeh, padoepak mĕrak; silih soedoek, silih banting, prok babatokna, prek tangkorek; ditoedjahkeun, golojoh noe kasep Moending Singsing Dĕgdĕg Kĕling eleh koe noe kasep Koeda Wangi. Tidinja noe raheut didjampe raheut, noe peupeur didjampe peupeur, tjoendoekkeun rahajoena ti timoer, datangkeun rahmatna ti barat, asoep doewa, asoep teuloe, asoep gĕnĕp ngoerĕn ngoerĕn, asoep toedjoeh noengkoe noengkoe, asoep soekma kakoeroengan, lilir tanghi, koendang koredjat, hoedang.
„Ideuh, girang si adi, moen dek noengkoel mangsing poegoeh, moen dek ngalawan mangsing ajeuna, ngaleret asa mĕndĕm; sarangenge teu moeloek sagĕde boeoek, teu neuteup sagĕde beunjeur.” Toeloej asoep oeloen koemawoela ka noe kasep Koeda Wangi.
Tidinja matoer ka patih Dĕmang Kandoeroewan, moemoel ngasoeh seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran ti nagara Pasir Batang Karang Tĕngah.
„Ideuh, girang adi, pariksakeun ka Pasir Batang Lĕmboer Hilir ka patih Gadjah Haroeman, sina dibawa bae kadijeu.”
Bral leumpang patih Gadjah Haroeman. Goeroedag datang, masang tabe kalimborot kadiga mongtot, katoentjar parandjang gagang, bageja soemping tjalik ka girang si indji. Toeloej pawistri pawarang dalĕm nĕpoengan ka patih Gadjah Haroeman.
„Ideuh, girang si kaka, aja naon pibedjaeun, sasari teu ari ari, bareto teu elok elok, sasab sempar ka tĕbeh dijeu?”
„Ideuh, girang indji, lain naon naon, dja noe kasep Koeda Wangi geus aja di Pasir Batang Lĕmboer Girang, soeroedan pĕrang galitoek, seredan pĕrang bĕrame rame.”
Matoer ka girang kakana: „Owah, koedoe moeroed salĕlĕmboer, koedoe mintar sanagara.”
„Owah, ĕnja tĕmĕn deui lamoen sakitoe pĕtana, koedoe moeroed salĕlĕmboer, koedoe mintar sanagara.”
Leret ka Koeda Lengser, tjandak boeugkoel boengoer beunang ngoenoen toedjoeh tahoen, aralang hantap heulang beunang ngagarang salapan boelan, aloengkeun ka manggoeng, oelangkeun ka awang awang, giriwis kapoehoen tjeulina. Doeg, doeg, ngoeng, koempoel hijangan paragĕlangan, dek noeroed peungpeung isoek, sĕndal peungpeung beurang, halangan kaboeritnakeun. Tjandak marijĕm gĕde, seungeut koe njameër, sampar koe dampal. Dĕg, dĕg, gĕlĕgĕr, broel pajoengna, bral kipasna, sok ngĕlak goöng padengdang tatamoe, moen ratoe moeroed tanghara, [ 34 ]moen menak leumpang; sok mĕloetna gagaman agoeng, saha noe ditoeroet sahoer, noe didenge tjarek noe bagoes patih Gadjah Haroeman, ĕmbat ka dahoewan dalĕm noe bagoes patih Koeda Kantjana, bat moen Pangeran Galoedra Kantjana, seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran, bat moen doenoenganana noe geulis si Lenggang Wangi djeung Lenggang Kantjana, noe geulis Nimbang Kantjana, pawistri Lenggang Wajang.
Katjaritakeun ponggawa ti Koeta Gangsa Gagak Wira Panggoeng, Mama Loerah pangĕmban dalĕm sisĕlap sirĕmban, diiringan koe ijangan paragĕlangan, widak widak sangrama. Goeroedag ka nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang.
Ideuh, kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, masang tabe kamoengkoereun.
„Owah, girang adi, oelah toemangtoeng toenggaling goeroe, soemedja toenggaling gĕna, gorodjog tanpa larapan, bageja soemping tjalik, rampes, ngalĕmar, soegan seureuh tajoeng geureung apoe tawe sesa bae.”
Tjalik ka padalĕman, baris ponggawa ponggawa ngeusi ka babalean. Lir para ajoe pakoempoelan, para landjang pakĕmbaran, loba denok poponggolan, soeka boengah garaita, soeka boengah wajang tapa seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran. Ngabaris baris padjoerit, ngadjadjar djadjar baris pĕpĕrang, kaanggitan koe prijaji boemi. Nja didinja noe kasep Koeda Wangi djadi lĕmboer matoeh dajeuh maneuh boemen boemen di nagara Pasir Batang Lĕmboer Girang. Meunang anak baranahan, bidjil eutjoe para poetoe.
——————