Badoejsche Pantoenverhalen/Lalakon Ranggah Sena
[ 54 ]
IX.
LALAKON RANGGAH SENA.
______
Radjahna: Moela awaking dek make pasang pasadoean, sadoe ka loehoer ka handap, ka loehoer ka sang roemoehoen ka batara noe di manggoeng, ka noe wĕnang njoetjoek ngiboen ka handap ka Sang noergaha ka batara Naga Radja, pangapoengkeun sora awaking sadoe awaking deuk njaritakeun tjarita pantoen, menta agoengna palaloen, menta pandjang panghampoera.
Katjaritakeun Praboe Moending Wangi datang ti pangoembaraan, geus ngabĕlĕgĕndĕng pasanggrahanana di boeroean Pantja Batang Antrawidjaja.
Pawarangna tatjan deuk loba, kakarak boga dalapan, ngamitkeun toewang kakasih pawarangna.
Pawarang pangtoehana ngambĕt kasih tan kaweni Mĕrĕdja Lokat Dewata, katema koe girang aïsna Ĕmbok Agoeng Narawikoe Norowong Narawigoena, katema koe girang aïsna deui Raga Geulis Kĕntri Manik, katema koe girang aïsna deui Patna Larang, Patna Wangi, Balik Lajaran Sari, Ambang Laja Ratna Kĕmbang djeung girang si boengsoe Angdjĕng Tapa Kalĕngrĕman.
Kotjapkeun Praboe Moending Wangi hajang njijeun kaoelinan datang ti pangoembaraan.
Toeloej njaoer ka girang pawarang noe pangtoehana: „Owah, mas padoenoengan simadjar ka ngaing hajang njijeun kaoelinan karamean sadatang ti pangoembaraan, hajang njawoeng ngadoe hajam, koedoe mikono ka nagara Koeta Potong.”
Toeloej pawarangna pangtoehana maranan ka nagara Koeta Potong. Barang datang ladjoe masang tabe: „Amboeïng, kalimborot kadiga nongtot, katoentjar parandjang gagang, masang tabe mamoengkoereun, milak rama pangtjalikan, deuk miloe eureun sakeudeung.”
„Rampes, oelah toemangtoeng toenggaling goeroe, toemedja toeng[ 55 ]galing gĕna, bageja tjalik ka pangtjalikan badan koering. Gek tjalik di padalĕman Koeta Potong.
Katjaritakeun njai Raga Geulis Nji ĕmas Maja Larang, pawistri di Koeta Potong, katema koe ponggawana Praboe Soentĕn Agoeng, boga deui girang pawarang djĕnĕngan Kastoena Kantjana, hajang nongton kaoelinan ngadoe hajam.
Bral angkat beunang dangdanan deuk nongton ngadoe hajam ka nagara Pantja Batang Antrawidjaja.
Diiring koe pandakawan Praboe Banjak Soemba, si Barang Tineung. Barang datang ka boeroean Pantja Batang Antrawidjaja, geus njampak papanggoengan kagoengan Praboe Moending Wangi. Toeloej oerang nagara Koeta Protong njijeun papanggoengan pahareup hareup djeung papanggoengan Praboe Moending Wangi. Ladjoe tjalik pawarang dalĕm Praboe Moending Wangi kana papanggoengan.
Ajeuna njaritakeun ponggawa noe ngadjaga lawang Koeta Potong noe djĕnĕngan Praboe Ranggah Sena, Lawang Praboe Langga Sari, Praboe Poerbasari, Poerba Karang, Poerba Denta, Rangga Poepoek, Tanoerang Gagang djeung Praboe Djaja Wastoe, noe ngagadoeh ranggap gĕde.
Katjaritakeun balad Praboe Moending Wangi noe ngadjaga lawang sasaka domas, djĕnĕngan Praboe Moending Sari, Moending Singa, Moending Mĕrĕga Singa, Moending Mĕrĕga Djaja, Moending Mĕrĕga Laksana, Moending Mĕrĕga Loentjat, Moending Barang djeung Moending Daratan.
Praboe Moending Wangi mah geus boga hajam adoekeuneun ngaranna Atji Kĕmbang Kahijangan.
Ari pawistri ti Koeta Potong mah tatjan boga hajamna; ladjoe nitah njijar ka pandakawan noe ngaran si Barang Tineung. Toeloej nindak si Barang Tineung njijar hajam, nektekan bĕling di pipir leuit, diteundeun kana kandek djamang. Toeloej ngadeuheus ka padalĕman Praboe Djaja Wastoe, noe ngagadoeh ranggap gĕde. Matoer si Barang Tineung ka Praboe Djaja Wastoe: „Ideuh, sang praboe, badan koering nanggoel pioetoes, ngĕmban parentah dititah njijar hajam, noe patoet adoekeuneun.”
Dibere koe Praboe Djaja Wastoe kotok poepoek; teu ditarima koe si Barang Tineung: „Dja ijeu mah lain kotok patoet adoekeuneun.”
Dibere deui si Tĕlĕgoeg Djantoer, teu ditarima deui bae koe si Barang Tineung. Dja kahajangna si Barang Tineung lain noe eta. Ladjoe si Barang Tineung aja akalna ngagembreng gembreng kandek djamang, maroekankeun doewit; horeng bĕling. Ari hajam noe bagoes mah di[ 56 ]boenikeun koe Praboe Djaja Wastoe ka sĕgong lawang. Disorowok bae koe si Barang Tineung ti segog lawang, toeloej dibawa balik. Datang ka lawang Poerba Denta, toeloej ditanja koe Poerba Denta, soegan eta deuk didjoewal.
„Ideuh, sang praboe, nja ĕndeuk, ari rĕgana sareboe doewaratoes pasmat.”
Toeloej Praboe Denta milang doewit; meunang dalapan poeloeh pasmat. Tidinja ditampa koe si Barang Tineung, ditorogan barang tjingtjin ĕmas mata intĕn; dja teu mahi doewitna.
Bral bae ladjoe si Barang Tineung, tapi ari hajamna mah djeung doewit dalapan poeloeh pasmat djeung tjingtjin ĕmas mata intĕn dibawa bae.
Njaoer Praboe Denta: „Koemaha djoedjoewalan kitoe pĕtana, barangna dibawa deui, ladangna dibawa?”
Nembal si Barang Tineung: Tadi oge kami mah lain deuk ngadjoewal, dja deuk njijar beuliëun; kahadja dibere bae mah daek, dja poegoeh kami mah teu boga.
Goeroedag bae datang ka boeroean Pantja Batang, dihatoerkeun hajamna ka panggoestianana njai Raga Geulis Njai Ĕmas Maja Larang. Geus kitoe mah pada boga tjangkingan djeung Praboe Moending Wangi.
Toeloej prak bae mimiti ngadoekeun hajam. Silih pantjong, silih pintih. Eleh hajam poepoek koe si Atji Kĕmbang Kahijangan. Ditoeroenan deui koe si Tĕlĕgoeg Djantoer, eleh deui bae. Ditoeroenan deui koe noe sidji deui, noe ngaran Singa Katarandjang. Doek dĕk adoe djoerit si Atji Kĕmbang Kahijangan djeung si Singa Katarandjang; rigrig boeloena salambar si Atji Kĕmbang Kahijangan, ladjoe kekejokan; beuki loehoer beuki loehoer hajam doewa ngapoeng ka kahijangan.
Tidinja Praboe Moending Wangi kaïsinan, ladjoe toeroen ka boeroean, bari nangtang ka para ponggawa sakabeh di Koeta Potong. Djĕmpling euweuh noe wani ngalawan, euweuh noe wani njapih.
Tidinja dangdan nji Mas Maja Larang, deuk ngalawan. Ragoedoeg sasamping djangkoeng, rĕkĕtĕk sagĕloeng poetĕr; ngaloentjat ka boeroean Pantja Batang, gĕr bae pĕrang papijoeh paadoe poejoeh, ngageleng paadoe tjangkeng; awak leutik meulit meulit, awak koneng mangpeng mangpeng. Tjaritakeun pawarang pangtoehana Raga Geulis, ngambeut kasih deuk njapih. Ragoedoeg sasamping djangkoeng, rĕkĕtĕk sagĕloeng poetĕr, ngaloentjat ka boeroean Pantja Batang, ngarontok girang tjarogena, tijoep koepingna: [ 57 ] „Nanaonan taroeng taroeng djeung doeloer, pĕrang djeung baraja, mangsing areling.”
Toeloej eureun, pada tjaralik di boeroean Pantja Batang, geus rapih pĕrang.
Katjarita Praboe Moending Wangi njerenkeun nagara Koeta Potong sabeulah ka Praboe Ranggah Sena.
Toeloej Praboe Moending Wangi moeroed ka padalĕman ka Lĕmah Doehoer, gĕnah toemaninah.
Teu kĕbĕl deui oerang nagara Koeta Potong moeroed ka padalĕmanana.
Di Lĕmah Doehoer aja doewa ponggawa noe djĕnĕngan Toean Djajapaksa Raden Tjarama Laksana djeung hidji Raden Kĕling.
Katjarita deui moeroedna nji Mas Maja Larang ka padalĕmanana di Koeta Potong djeung ponggawa Praboe Soentĕn Agoeng djeung pawarangna Moetia Manik djeung Kastoena Kantjana djeung Praboe Ranggah Sena. Noe poerah nanggoel moesoeh, noelak lawan di nagara Koeta Potong, tĕtĕp gĕnah Praboe Moending Sari. Toeroen euntjoe, rĕndang anak di nagara Lĕmah Doehoer. Djĕmpling teu katjaritakeun deui.
______