Lompat ke isi

Badoejsche Pantoenverhalen/Lalakon Paksi Kĕling

Ti Wikipabukon
Bagian-bagian Badoejsche Pantoenverhalen
Inleiding I. Lalakon Raden Tĕgal II. Lalakon Langga Sari III. Lalakon Paksi Kĕling IV. Lalakon Koeda Wangi V. Lalakon Panambang Sari VI. Lalakon Kidang Panandri VII. Lalakon Gadjah Loemantang VIII. Lalakon Bima Wajang IX. Lalakon Ranggah Sena X. Lalakon Koeda Gandar Sadaya

[21]

III.

LALAKON PAKSI KĔLING.

——————

Radjahna: Awaking dek make pasang pasadoean, sadoe kaloehoer sadoe kahandap, kaloehoer ka sang roemoehoen ka handap ka Sanoergaha, ka batara endah sora: moela awaking pasadoean, dek ngamitkeun poetra sahidji, oeroes ratoe noe ngoembara ti Pakoean Padjadjaran Praboe Soetra Kamasan, ngoembara ka nagara Pasir Batang Oemboel Tĕngah.

Kotjapkeun Praboe Soetra Kamasan andĕg nagara di Pasir Batang Oemboel Tĕngah djeung andĕg pawarang doewa, noe kolot Limar Kantjana noe ngora Atji Kĕling.

Ari lantjeukna Limar Kantjana Boma Djanggala, kakana Atji Kĕling Paksi Kĕling.

Tidinja Boma Djanggala njaoer ka Sangijang Praboe Soetra Kamasan: „Simadjar ka ngaing hajang ngadjoedjoerkeun ka seuweu ratoe ti Pakoean menak ti Padjadjaran.”

„Owah, praboe soehoenan dahoewan, langkoeng pangĕrsakeun.”

Toejoej Boma Djanggala njaoer deui ka Paksi Kĕling: „Simadjar ka ngaing hajang ngĕrsakeun sidĕkah kamoekakatan atawa hĕnteu.”

„Ideuh, girang kaka, girang si adi ngiring bae.”

Ari geus moekakat mah, geura koempoelkeun tatabeuhan bae.

Geus kitoe mah ladjoe ngoempoelkeun tatabeuhan goöng salawe bangoenan angkloeng salawe tatapan. Gĕr bae angkat karija, meuntjit moending sapoeloeh pakandangan, eusina pada njapoeloeh.

Dihakan koe djĕlĕma sadajana, salobana bejak ka soekoe soekoena. Ari pojan meuntjit dalapan pakandangan, bejak ka toelang toelangna.

Angeun pake adoe simbeuh, tjongtjot pake goegoelingan. Si Lengser leungit sapoë, katindihan kedjo wadang.

Katjatoerkeun, noe tapa di mega malang, noe bagoes Baloengbang Singa njaoer: „Koe simadjar ka ngaing dek diiwat didjangdjawat pawarang dalĕm noe ngora.” [22] Pontengkeun djangga mastakana, kolejang kahandapkeun, koemolejang koemolentang di manggoeng di awang awang, niba ka lĕmah; goeroedag ka boewana pantja tĕngah, ngahareup ka padalĕman. Ladjoe masang tabe.

„Ideuh, girang adi, simadjar ka ngaing tabe teuing dek miloe eureun.”

Djĕmpling euweuh noe nembalan.

Tidinja mah gek tjalik bae ka padalĕman, toeloej ngalĕmar ladjoe njaoer: „Lamoen aing asak tapa ti boeboedak, ijeu seupah moegia masing djadi noe geulis pawarang dalĕm.”

Djleg bae seupah djadji pawarang dalĕm, di pake ngagantian pawarang dalĕm noe ngora.

Ladjoe pawarang dalĕm noe bĕnĕr mah dikandoeng, dibawa ngaloentjat ti padalĕman, ladjoe dibawa ngapoeng njĕmproeng ka mega malang. Barang datang ka mega malang, reup Baloengbang Singa heës.

Ajeuna katjaritakenn noe tjalik di paseban bale agoeng.

Paksi Kĕling ngaleret ka pawarang dalĕm, geus teu aja, ngan kari ngadajoegdoeg seupah boeroek.

Geus kitoe ladjoe Paksi Kĕling njaoer: „Djĕnĕng si indji mowal lain dibakekeng koe anak deungeun, balaï teuing, koe simadjar ka ngaing dek ditoetoerkeun.”

Toeloej toeroen ti paseban bale agoeng, bari mawa tihoel hareno; poeng bae ngapoeng kamanggoengkeun, noetoerkeun Baloengbang Singa. Sakeudeng goeroedag datang ka mega malang.

Barang Paksi Kĕling datang ka mega malang, pawarang dalĕm kasampak keur diparende koe noe bagoes Baloengbang Singa. Tidinja dirawoe deui koe Paksi Kĕling, dikandoeng, ladjoe digantian koe tihoel hareno, pontengkeun kolejab kahandapkeun deui. Sakeudeung goeroedag datang ka boeroean padalĕman, nja diserenkeon deui ka Praboe Soetra Kamasan. Toeloej Paksi Kĕling tjalik deui ka paseban bale agoeng, bari njerenkeun papatih ka Boma Djanggala. „Ari simadjar ka ngaing mah dek maranan deui ka mega malang.”

Bral angkat Paksi Kĕling, sĕmproeng ngapoeng kamanggoengkeun. Sakeudeung goeroedag datang ka mega malang, djondjon Baloengbang Singa kasampak keur heës keneh. Gek tjalik Paksi Kĕling handapeunana. Tidinja koredjat hoedang noe bagoes Baloengbang Singa, pontengkeun djangga-mastakana, ngolewang ka tĕbeh handap, barabat sijor kahandapkeun. Goeroedag ragrag ka tĕgal papak. [23] Njaritakeun di tegal papak di djalan marapat aja ponggawa keur enreun, djĕnĕngan Soetra Pangajon djeung adina, djĕnĕngan Poetjoek Sari. Poetjoek Sari matoer ka kakana: „Ideuh, kakang, itoe semah oerang mana soemping kadijeu?” Toeloej kakana njaoer: „Ideuh, indji, noe kitoe tandjag lelewana mo lain popotolan; djĕnĕng si indji ngadagoan bae didijeu, koe simadjar ka ngaing dek ditangtang awong awongan, simadjar ka ngaing tamboeh roewa tamboeh roepa, soemping ka kijeu kijeuna naon noe disedja. Soegan aja lĕmboe beunang ngoengkoeng, badak beunang njangtjang, banteng beunang ngagenteng, lamoen teuneung loedeung, paksa gandawasa, geura toeroen kadijeu!”

Tidinja mah pateungteung patali agcung, serenteng narik panganggo, hoeroeng gagaboesan, herang kĕkĕdapanana, leromna beunang njongoan beuteung, ngoengkoeng ngakoe doeloer, ngangkang ngakoe baraja, soedoek maroe ampar koe tiga pati radja, goelingan larap lari djĕkek, ideuh, pĕrang ngadoe pakarang mah ka roeksak roeksak dangdanan, anggoer ngadoe babaloeng, pĕrang tjentang lalawanan, djoeritan silih seundeuhkeun.

Barang pĕrang geus meunang sadjongdjongan, toeloej kadjeueung koe Praboe Paksi Kĕling ti mega malang. Toeloej Paksi Kĕling njaoer:

„Adeuh, horeng mahaboena mah ka batoer, teu hade kitoe, moal hade pepedahan, dja batoer mah teu boga dosa.”

Tidinja pontengkeun djanggamastakana, kolewang ka tĕbeh handap, lĕnjap barabat sijor; ngadjoegdjoeg ka noe keur pĕrang. Sakeudeung goeroedag datang.

„Ideuh, girang adi Soetra Pangajon, geura oendoer, lain sija pilawaneunana; simadjar ka ngaing noe koedoe ngalawan.”

Dĕr deui pĕrang djeung Paksi Kĕling sadjongdjongan saporodan. Toeloej silih seundeuhkeun; beuki boerit beuki pajah Baloengbang Singa. Tidinja njaoer noe bagoes Baloengbang Singa ka Paksi Kĕling: „Anggoer simadjar ka ngaing podarkeun sakali bae; hiroep ge karoengkang roengkang boewana.”

Geus kitoe rawoe soekoena, sĕbatkeun kana bintjoerangna; prok babatokna, prek tangkorekna.

Barang Baloengbang Singa geus paeh, kadeuleu koe Poetjoek Sari. Toeloej koe Poetjoek Sari diserenkeun ka Paksi Kĕling, menta panghiroepankeun deui. Toeloej koe Paksi Kĕling noe raheut didjampe raheut, noe peupeur didjampe peupeur; koredjat hoedang deui. Ladjoe taloek asoep oeloen koemawoela. [24] Toeloej noe bagoes Boma Djanggala[1] djeung Soetra Pangajon katoet Poetjoek Sari dibawa pindah koe Paksi Kĕling ka nagara Pasir Batang Oemboel Tĕngah, ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut, moeroed salĕlĕmboer, mintar sanagara, asoep oeloen koemawoela ka praboe noe mangkoe lĕmboer, njajak nagara Pasir Batang Oemboel Tĕngah.

Katjaritakeun noe bagoes Boma Djanggala kagoengan piderekan keur tapa di Goenoeng Sala Boewana, dibawa koe kakana Pangeran Naga Boewana ka djalan marapat opat. Barang datang ka djalan marapat opat, toeloej ditoenda didinja.

Ajeuna njaritakeun ponggawa ti nagara Daha djĕnĕngan Mega Koemĕndoeng, ngiwat adina Baloengbang Singa, ladjoe dibawa minggat ka nagara Daha, dibikeun ka adina Mega Koemĕndoeng Ratoe Manik. Kotjap deui Baloengbang Singa panasaran diiwat adina koe Mega Koemĕndoeng, toeloej Baloengbang Singa maranan pĕrang ngaloeroeg taroeng ka nagara Daha. Barang datang ngagĕro Baloengbang Singa, nangtang pĕrang ka Mega Koemĕndoeng:

„Soegan aja lalaki di poesĕr boemi, lalanang di kolong djagat.”

Nja mangdĕr bae pĕrang pakael tjangkeng pateungteung beungeut; silih banting, silih doepak; ditindjoel poendoekna, ditĕpak dadana Mega Koemĕndoeng koe noe bagoes Baloengbang Singa, langgosar.

Toeloej koe Ratoe Manik diserenkeun, menta dipanghiroepankeun deui, soegan daek asoep oeloen koemawoela. Tidinja dihiroepan deui koe noe bagoes Baloengbang Singa, ditjidoehan koe tjidoeh kahoeripan. Koredjat hoedang, ladjoe taloek asoep oeloen koemawoela.

Toeloej dibawa balik deui ka djalan marapat opat adina koe noe bagoes Baloengbang Singa djeung Mega Koemĕndoeng ka njai Ratoe Manik. Ngandjrĕk sakeudeung di djalan marapat opat, ngeureunkeun tjape djeung palaj.

Tidinja angkat deui ka nagara Pasir Ipis, nja dibere ngalĕmar seureuh beusi pinang wadja apoena karang beuleuman. Toeloej dilĕmarna koe Pangeran Naga Boewana, ladjoe diboerakeun ka harigoena Pangeran Radja Sanghara. Pangeran Radja Sanghara poendoeng, toeloej nangtang pĕrang. Dĕr deui pĕrang tjampoeh papijoeh paadoe poejoeh, pageleng paadoe tjeleng, dibantingkeun Pangeran Radja Sanghara, langgosar. Toeloej diserenkeun deui koe adina nji Maja Sagara, menta dipanghiroepankeun deui. Didjampe koe ikĕmat [25]kahoeripan, koredjat hoedang. Ladjoe taloek asoep oeloen koemawoela.

Tidinja pindah moeroed, noeroet ka ratoe, oendoer salĕlĕmboer, taloek ka ratoe di nagara Pasir Batang Oemboel Tĕngah, noeroet saoer, ngadenge tjarek, pawistri pada pawistri tjalik di padalĕman, ponggawa pada ponggawa tjalikna di babalean, lĕngrĕng rĕntĕb. Ngoejoepoek poetjoek kawoengna, nejektek tangkal djambena. Ratoe matoeh poetoe poetoe, menak pada poetra poetra di nagara Pasir Batang Oemboel Tĕngah. Djĕmpling teu katjarita deui.


——————

  1. Te oordeelan naar het voorgaande moet de pantoenverhaler rioh yereist en desen naam in de plaats yan Baloengbang Singa genoemd hebben.