Bijgeloof in de Preanger-Regentschappen

Ti Wikipabukon
Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI  (1900) 
by Koninklijk Institut voor taal-, land- en volkenkunde von Nederlandsch Indië
[ 110 ]Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/125 [ 111 ]Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/126 [ 112 ]

I. Samemeh djadi imah.

Lamoen oerang rek njijeun imah mimitina koedoe njadijakeun heula kai-kai anoe harade.

Dina hal milihna kai reja pisan pabidahan anoe kaloewangkeun.

Sapĕrkara kai pikeun bahan imah teh koedoe warna, sakoerang-koerangna koedoe aja 7 roepa, noeroetkeun powe toedjoeh, watěkna matak rahajoe ka noe ngeusian.

Kadoewa, imah teh koedoe ditĕrapan kai anoe haseum-haseum boewahna, kajaning, asĕm atawa hoeni, djeung kai noe seungit kĕmbangna, tjara kananga atawa tjampaka.

Noe tiheula watĕkna matak oeroej anoe nendjo, tĕgĕsna matak kabita, lir noe njiram nendjo hoeni atawa asĕm. Noe pandeuri kasiatna kana imah, noengtoen kaseundeuhan koe tatamoe, matak bĕtah anoe ngandjang soemawonna anoe ngeusian.

Sabalikna pirang-pirang kai anoe teu hade dipake dangdanan imah. Sapĕrkara kai anoe tjoetjoekan tangkalna, kaja dadap tjangkring djeung lianna, eta hĕnteu hade dipake, karana matak roengsĕb pikima anoe ngeusian, tĕgĕsna reja kasoesah.

Kadoewa kai roentoeh, ngarangrangan djeung noe poegoer, sabab tiloewanana matak teu awet oemoer atawa hese rĕdjĕki.

Katiloe kai noe oeroet imah kahoeroewan, eta ge teu hade dipake dangdanan imah, sabab matak kahoeroewan deui.

Kai anoe sangĕt, hade oge dipake dangdanap imah, tapi koedoe make sarat, dipakoe koe pakoe ĕmas atawa perak, malar djoerig noe aja dina eta kai njingkah tidinja. [ 113 ]Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/128 [ 114 ]Ari ngamimitianana migawe, poepoes papas atawa koedak kadek, hĕnteu meunang sagawajah atawa salamangsa, koedoe dina wĕwĕdalan anoe rek boga niat, sapĕrti wĕwĕdalanana dina powe Djoemaäh, eta koedoe di Djoemaäh deui.

Tatapi sakitoe deui hĕnteu meunang singsing Djoemaäh koedoe milih noe hĕnteu mĕnĕran naäs atawa rarangan boelan.

Lĕmah anoe bakal diimahan, tangtoe beunang milih anoe hade, sakoerang-koerangna oelah anoe goreng teuing bae.

Dĕmi sĕpoeh-sĕpoeh nganggona lahan piimaheun, anoe kasebat sae, ijeu dihandap dipĕrtelakeun sawareh-wareheun.

1. Tanah anoe bahe ngetan ngaler, watĕkna ka noe tani matak moekti, ka noe dagang matak beunghar, djaoeh ti bantjang pakewoeh.

2. Tanah anoe bahe ngetan woengkoel, disĕboet "anggon-anggon anoe tani", sabab watĕkna noengtoen rĕsĕp pĕpĕlakan, toer hade djadina.

3. Tanah anoe bahe ngoelon disĕboet "anggon-anggon pandita", sabab watĕkna mawa bageur ka noe ngeusian, ĕmboeng latjoer, djĕleh maen djeung salianna ti eta sakoer lampah kagorengan.

4. Tanah noe kalioeng koe tjai, watĕkna "tiis", teu aja panjerewedan.

5. Ari noe paoghade-hadena tanah pilĕmboereun atawa pinagaraean, nja eta lĕmah "ngagaloedra ngoepoek", tĕgĕsna tjai tina tiloe madhab tjampoer ngotjor katĕngah, toeloej palid kamadhab anoe kaopat, tjontona sapĕrti padataran tanah Bandoeng disĕboet "ngagaloedra ngoepoek", sabab tjai ti kaler, wetan djeung kidoel, ngotjor katĕngah, tjampoer di Tjitaroem, ari mitjeunna kasabeulah koelon.

Dĕmi tanah anoe goreng dilĕmboeranaua nja eta:

1. Tanah noe kaoengkoelan koe djalan, ari peuntaseunana papak [ 115 ]Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/130 [ 116 ]djeung eta djalan, eta watĕkna matak kaoengkoelan koe noe ti tonggoh. Oepama djĕlĕma anoe ngimahan tanah kitoe teh geus beunghar, tidinja dipeuntaseanana djalan teh aja noe ngimahan deui paeunteung-eunteung djeung noe di lĕgok teja, eta anoe di lĕgok teh sok djadi malarat atawa hilang, nja eta kaoengkoelan koe noe ti tonggoh.

2. "Lĕmah goenting", nja eta tanah noe katjapit koe djalan tjagak atawa koe tjai, watĕkna sangar.

3. Tanah noe bahe ngetan ngidoel sabab ĕnja oge watĕkna mawa daek kana pĕpĕlakan, tapi tara djadi.

4. Tanah anoe bahe ngoelon ngaler, disĕboetna "anggon-anggon djaksa", watĕkna loba panjerewedan.

5. Tanah anoe bahe ngoelon ngidoel, disĕboet "anggon-anggon doerdjana", watĕkna sok kalindeukan bangsat.

6. Lĕmah "talaga ngĕmbĕng", tĕgĕsna tanah lĕgok, tjai ti madhab papat ngotjorna koempoel ka tĕngah, tapi taja pamitjeunanana, ngĕmbĕng bae, eta pĕrbawana, tara djadi djoewal meuli.

7. Lĕmah "kantjah nangkoeb", nja eta anoe tjara kantjah ditangkoebkeun, eta watĕkna panas, teu bisa ngampihan rĕdjĕki. Ijeu anoe doewa pangpandeurina disĕboet panggoreng-gorengna, meh tara aja noe ngeusian.

Tanah piimaheun teja hĕnteu kalis koe beunang milih, koedoe bae make ditoembal deui. Babakoena pisan anoe sarat koedoe ditoembal heula teh, nja eta tanah anoe kakara diimahanana. Dĕmi sarat-saratna panoembal teja, nja ijeu:

1. Di oenggal djoeroe, dihandapeun tatapakan, koedoe diroewangan tai beusi, bawang bodas djeung rĕrĕmĕkan 7 roepa, kajaning: rĕrĕmĕkan botol, piring, kĕndi, talawengkar, kĕnteng, bata, gotji atawa lian ti eta. Tai beusi watĕkna matak teuas kana taneuh, teu daekeun neundeut, bawang bodas panjinglar kana [ 117 ]Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/132 [ 118 ]panjakit; ari rĕrĕmĕkan, toembal njingkirkeun dĕdĕmit noe aja didinja.

2. Lamoen tanahna katjida tiisna, eta koedoe diroewangan boengboe, ambeh djadi haneut. Mĕrĕnahkeunana imah oge koedoe diatoer; sabeunang-beunang toekangeun imah koedoe leuwih pandjang tibatan boeroewan, watĕkna soepaja bisa ngampihan rĕdjĕki, hartina reja anoe diampihan tinimbang anoe dikaloewarkeun.

Samemeh imah diadĕgkeun oge, pinjanghareupeunana geus diatoer, karana njanghareupna imah teh aja atoeranana, noeroetkeun wĕwĕdalan anoe bogana; noe dipambrih, soepaja loeloes rahajoe, adoh balahi parĕk rĕdjĕki, sapĕrti:

1. Anoe wĕwĕdalan di Ahad, koedoe njanghareup ngidoel, pantona ditĕngah-tĕngah.

2. Anoe di Sĕnen wĕwĕdalanana, njanghareupna koedoe ngaler, pantona sabeulah ti wetan.

3. Lamoen wĕwĕdalan di Salasa imahna koedoe njanghareup ngaler, pantona di tĕngah-tĕngah.

4. Anoe dilahirkeun di Rĕbo, njanghareupna koedoe ngidoel, pantona ditĕngah-tĕngah.

5. Dĕmi anoe di Kĕmis didjoeroekeunana, imahna koedoe njanghareup ngetan, pantona ti kidoel atawa ti kaler. Atawa njanghareupna mah ka kaler hade, ka kidoel hade, ngan pantona koedoe ti wetan.

6. Ari anoe wĕwĕdalan di Djoemaäh njanghareupna koedoe ngoelon, pantona ti kaler atawa ti kidoel.

Lamoen imahna disanghareupkeun ngaler atawa ngidoel, pantona koedoe ti sabeulah koelon.

7. Oepama wĕwĕdalan di Saptoe, imahna koedoe njanghareup ngidoel, pantona sabeulah ti wetan.

Alam ajeuna geus meh bijasa njanghareupkeun imah ka koelon atawa ka wetan soemawonna lamoen njanghareup ka djalan.

Ari baheula mah tara pisan aja imah njanghareup ngetan atawa ngoelon teh, sabab watĕkna panas gĕringan; njanghareupna teh ngan ngaler djeung ngidoel bae, sanadjan di sisi djalan anoe [ 119 ]Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/134 [ 120 ]ngoedjoer ngaler oge.

II. Ti ngadĕgkeun nĕpi ka anggeusna.

Oepama geus diatoer pitĕmpateunana djeung pinjanghareupeunana kitoe deui toembal-toembalna sadija, teu aja noe kaliwat, toeloej milih powe anoe hade pikeun ngadĕgkeun.

Dĕmi powe anoe hade teja pikeun ngadĕgkeun imah, nja eta powe Ahad, sabab goesti Allah oge ngadamĕlna boemi langit mimitina powe eta. Tatapi kitoe oge koedoe milih Ahad anoe aloes.

Piisoekaneun ngadĕgkeun, di tĕngah-tĕngah lahan anoe rek diimahan teja didjijeunan lombang.

Ti peutingna diseungeutan damar, singsimna toedjoeh, diteundeun di djĕro lombang teja.

Etĕ damar koedoe dikanjahokeun dĕlĕs mana anoe pangheulana pareum.

Oepama anoe pangheulana pareum teh, dĕlĕs noe njanghareup ngaler, djadi sabeulah ti kaler koedoe diroewangan deui rĕrĕmĕkan toedjoeh roepa, tjara noe ĕnggeus, sabab maksoedna eta damar noedoehkeun beulah ti mana anoe aja keneh dĕdĕmitna.

Isoekna, dina waktoe rek ngadĕgkeun teja, damar ditjokot diganti dipĕlakan anak tjaoe manggala djeung djawer kotok.

Démi kasiatna boros tjaoe manggala matak awet djaja noe ngeusian, djawer kotok, watĕkna tara roentag.

Kadjaba ti boros tjaoe manggala djeung djawer kotok, deukeut lombang teh koedoe disadijaän tjibejas dina djadjambaran, Barang rek prak ngadĕgkeun, koedoe adan heula djeung matja doä salamĕt.

Sanggeus ngadĕg koedoe meuntjit hajam, gĕtihna dikoetjoerkeun kana lombang teja, djeung gĕtih noe aja keneh dina beuheungna koedoe dioelas-aleskeun kana tihang. Eta hajam minangka parepeh, maksoedna noe matak gĕtihna dikoetjoerkeun kana lombang , soepaja [ 121 ]Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/136 [ 122 ]noe ngeusian oelah bidjil gĕtih, tĕgĕsna meunang tjilaka nĕpi ka bidjil gĕtih.

Ari noe matak dioelas-aleskeun kana tihang, soepaja anoe migawe eta imah oelah bidjil gĕtih.

Geus kitoe eta lombang ditjitjian deui tjibejas noe beunang njadijakeun tadi teja, kasiatna, soepaja noe ngeusian oelah kakoerangan bejas.

Dĕmi sanggeus ngadĕg, pabidähan anoe dianggo nja eta:

1. Bilangan rejana daroeroeng, lamoen dibagi opat koedoe njesa doewa. Anoe matek koedoe dibagi opat, noeroetkeun bingbilangan: soeroeng, sarang, wangke, wangkong.

Eta bingbilangan noe opat pada aja karĕpna.

Soeroeng karĕpna kasoeroeng koe napsoe, tĕgĕsna tatjan lila ditjitjinganana kaboeroe didjoewal atawa ditinggalkeun.

Sarang hartina njarang sagala balahi, nja ijeu bingbilangan anoe hade.

Wangke tĕgĕsna bangke, karĕpna eta imah weuteuh keneh, geus dipake noe hilang.

Wangkong tĕgĕsna ngawangkong atawa ngawadoel, watĕkna eta imah sok dipake ngawangkong.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

Ari ngitoengna dina sesana ngabagi koe opat teja:

Oepama sesana hidji ninggang di soeroeng watĕkna goreng, sakoemaha noe geus disĕboet di loehoer.

Lamoen njesa doewa, ninggang di sarang, watĕkna hade djeung satoeloejna.

Eta sababna noe matak sesana ngabagi koedoe doewa teh, soepaja ninggang di sarang.

Bingbilangan bahas hĕpteu aja katangtoeanana, koemaha meudjeuhnana bae, ngan di lĕbah ĕnggon koedoe aja bahas noe ditangkarakkean, kasiatna tara keuna koe sirĕp. [ 123 ]Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/138 [ 124 ]Alam ajeuna mah djangkoengna imah, gĕdena panto, geus beda pisan djeung djaman baheula, da baheula mah kabeh oge aja bingbilanganana. Ari oekoeranana mah kaki atawa dim bae, ngan bilanganana aja atoeranana, sapĕrti bilangan pandjangna tihang koedoe tjiplĕs dibagi gĕnĕp, nja eta noeroetkeun bingbilangan Sĕri katampeujan, roh kala, katiban kala, oendang lajoean, soegih moekti, beurat beunghar. Ari ngitoengna tjara tadi bae, noeroetkeun sesana ngabagi.

Lamoen tjiplĕs ninggang dina bingbilangan beurat beunghar, nja eta noe pangaloesna, sabab bingbilangan noe bijeu teh gĕnĕpanana pada mawa karĕp sapĕrti: lamoen njesa hidji, ninggang dina sĕri katampeujan, watĕkna sok kadjongdjonan,Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi sanadjan teu boga bejas atawa balandja oge, ngeunah-ngeunah bae, hĕnteu daek balangsijar.

Njesa doewa ninggang dina roh kala, watĕkna gĕringan.

Njesa tiloe ninggang dina bingbilangan katiban kala,Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi pĕrbawana sok oenggah bale watangan.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi Lamoen njesa lima eta hade.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

Nja kitoe deui roebakna panto koedoe noeroetkeun bingbilangan noe bijeu, ngan djangkoengna geus pasti koedoe sahibas tjeuli, sabab pĕrbawana lamoen aja bangsat asoep, tangtoe lĕbah panto kadenge rĕketna koe noe boga imah, masih keur heës oge.

Oerang dijeu mah ana njijeun imah, powejan ngadĕgkeun oge sok nĕpi ka tĕrap soehoenan. Oepama geus tĕrap eta, koedoe maen rĕboetan, atoeranana kijeu.

Eta imah dikoebĕng koe rara atawa tali lian ti eta, digantoengan [ 125 ]Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/140 [ 126 ]warna-warna kadaharan kajaning: koepat, tangtang-anginSalah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi, opakSalah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi, borondongSalah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi, dodolSalah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi, wadjitSalah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi djeung lian ti eta, sarta di oenggal djoeroe dina tihangna digantoengan tjaoe toeroejan djeung tiwoe leundjeuran.

Ari dina soehoenanana diteundeunan pare, kalapa, papakean djeung warna-warna kadaharan tjara di handap.

Dimana geus ngadoä, gĕr pada mĕrĕboetkeun koe noe digarawe djeung koe bararoedak kadaharan noe di handap djeung noe di loehoer teh; ngan pare djeung papakean hĕnteu. Parena diampihkeun ka leuit, didjijeun djimat pamikat pare, papakeanana diteundeun.

Ari noe matak make atoeran maen rĕboetan sarta di soehoenan diteundeunan pare djeung papakean, eta maksoedna soepaja noe boga imah oelah kakoerangan rĕdjĕki, saroepaning papakean, pare djeung kadaharan.

Satoengtoeng imah keur rangkaj keneh, koedoe bae diseungeutan damar ti peuting, soepaja noe bogana tjaäng pikirna tĕgĕsna euweuh kasoesah, djeung ambeh oelah diĕnggonan djoerig.

III. Pindah.

Samemeh imah anggeus pisan, sapĕrti kari njĕmpedanana, atawa kari ngagolodogan, eta imah koedoe geuwat dipindahan, sabab lamoen dipindihan geus anggeus pisan, pĕrbawana matak ngĕdoel ka noe ngeusian.

Di oenggal djoeroe eta imah koedoe diteundeunan kele pinoeh koe tjai, tapi kelena oelah di dengdeng.

Ari waktoena pindah koedoe milih powe noe hade djeung koedoe powe wĕwĕdalan manehna atawa pamadjikanana. Dĕmi parabotna anoe barĕng djeung djĕlĕmana dibawa pindah, nja eta: 1 samak anggĕl, 2 pabejasan, 3 tjai, 4 lĕboe.

Anoe matak eta noe 4 pĕrkara didjijeun loeloegoena parabot pindah, sabab sagala djĕlĕma hĕnteu meunang tinggal tidinja: samak anggĕl pikean sare, pabejasan noe ngahoeripkeun, tjai pon nja kitoe keneh, ari lĕboe minangka hawoena, sanadjan aja bejas, oepama taja hawoe mowal djadi sangoe. [ 127 ]Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/142 [ 128 ]Kadjaba ti dinja eta lĕboe aja deui kasiatna, nja eta mawa pangabĕtah anoe pindah tina imah atawa ririboeg anoe ditinggalkeun ka imah noe dipindahan, soepaja oelah ngarasa teu bĕtah dina imah weuteuh.

Sanggeus boes asoep ka djĕro eta imah, lĕbe atawa doekoen koedoe matja doa di oenggal djoeroe, njingkahkeun djoerig noe njoempoet di dinja, djeung njinglar, soepaja oelah kadatangan djoerig ti tĕmpat sedjen.

Ti dinja toeloej njalamĕtkeun.

Njijeunna ĕnggon oge aja atoeranana tjara njanghareupkeun imah teja, noeroetkeun wĕwĕdalan anoe bogana.

1. Anoe wĕwĕdalan di Ahad lamoen ngora keneh, njijeunna ĕnggon koedoe ti wetan modjok ngidoel; oepama geus kolot, ti koelon modjok ngidoel.

2. Lamoen wĕwĕdalan di Sĕnen, ĕnggonna koedoe ti koelon modjok ngidoel.

3. Oepama di Salasa, tjara di Ahad, ngan modjokna koedoe ngaler.

4. Anoe wĕwĕdalan di Rĕbo ĕnggonna koedoe ti wetan, modjok ngaler.

5. Ari noe di Kĕmis koedoe ti koelon.

6. Noe di Djoemaäh ti wetan.

7. Anoe di Saptoe koedoe ti koelon.

IV. Bab pabidähan dina pĕrkara imah-imah.

Moenggoeh bangsa Soenda anoe katjida pisan pĕrtjajana kana adat adat karoehoen, nĕpi ka djadi koelit djadi daging salawasna imah-imah, hĕnteu pisan aja kĕndatna mĕtakeun pamake noe ĕnggeus ditĕtĕpkeun koe karoehoenna, anoe dipalar taja lian kadjaba ti hajang loeloes rahajoe, adoh balahi, parĕk rĕdjĕki. [ 129 ]Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/144 [ 130 ]Oepama aja boedak anoe ngalampahkeun salah sahidjina tjĕgahna karoehoen teja, teu kira-kira digeunggeureuhkeunana djeung ditjaritakeun pitĕmaheunana, noe matak baroedak ajeuna bisa njaho kana eta tjĕgahan sawareh-wareheun.

Ijeu di handap ditjaritakeun hidji doewa panganggo sĕpoeh dina pĕrkara imah-imah anoe meh sarereja pada tĕrang.

1. Oelah sasapoe ti peuting soemawonna malĕm Djoemaäh djeung Salasa, hade oge sasapoe lamoen katjida pĕrloena, tapi roentahna koedoe digoendoekkeun didinja bae, sababna sok kaloewar rĕdjĕki tanpa poerwa.

2. Oelah mitjeun roentah powe Djoemaäh atawa Salasa, sababna tjara noe bijeu.

3. Oelah ngala tjai magrib (sareupna) sabab sok ditoetoerkeun bontjeret.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

Ari bontjeret teja nja eta keujeup bodas. Anoe matak noetoerkeun, njoesoel anakna leungit, soegan kabawa koe noe ngala tjai.

Ari anakna nja eta keujeup lĕmboet anoe beureum.

Eta bontjeret tjitjing bae dina bilik atawa dina panto, bari disada. Lamoen kadenge koe noe boga imah, toeloej moerakeun tjai ka panto bari diparantjahan kijeu: „Hih, aing mah teu ka tjai ti peuting, teu mamawa anak sija! Toeh di ditoe di imah kaler anoe ngala tjai teh!” Eta djĕlĕma noedoehkeunana ka tĕmpat noe teu aja imahan. Lamoen noe taja imahan teh sabeulah kidoel, noedoehkeunana ka kidoel, djeung satoeloejna.

Eta bontjeret ana geus diparantjahan kitoe, sok toeloej njingkah.

4. Oelah ngadekan tihang sok katoeding teu boga dosa.

5. Oelah kakadekan dina bangbaroeng soemawonnna ngadekan bangbaroengna, matak oenggah bale watangan.

6. Oelah dijoek dina bangbaroeng atawa ngalong panto, matak nongtot djodo.

7. Oelah ngesedkeunSalah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi soekoe kana sapoe panjaraän, matak rorombeheun.

8. Oelah njidoeh di parako. [ 131 ]Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/146 [ 132 ]9. Oelah paseja djeung pamadjikan ti peuting.

10. Oelah ngĕboetkeun boeöek di ĕnggon.

Ijeu larangan noe 4 pangpandeurina, matak di sapa koe Nji Sri.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

11. Oelah ngala seuneu lamoen di hawoe oerang aja seuneu, matak gĕring panas.

12. Oelah ngomong djeung pamadjikan di ĕnggon, matak paseja.

18. Oelah sisijaran di ĕnggon, matak galak paseja.

14, Oelah sok hehejotan di imah, matak teu boga oejah.

15. Oelah marinan tjai tina kĕndi kana kĕndi deui, matak tjerewed mitoha.

16. Oelah nakol seëng, matak reja semah.

17. Oelah neundeun hoeroenan soeloeh di imah, matak dihoeroensoeloehkeun,Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi tĕgĕsna kabaoed pĕrkara.

18. Oelah nangtoengkeun goeloengan samak, matak ririwit boedak.

19. Oelah bra-broe papakean, matak gĕring sa-imah-imah.

20. Oelah noeroeban bejas atawa kedjo koe ajakan, sabab katjadoena Nji Sri.

21. Ari njijoek bejas oelah bari ngomong, matak longlonganSalah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi.

22. Ari njijoek bejas ti pabejasan koedoe mĕpĕt bajoe tiloe kali, tĕgĕsna bari njijoek bejas, noe tiloe kali pangheulana oelah ngambĕkan, bari diparantjahan kijeu: „Noe herang noe ngalenggang noe ngagentjlang, mahal sorangan.”Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi Ijeu kasijatna soepaja oelah longlongan.

23. Nja kitoe deui lamoen asoep ka leuit aja pamakena, koedoe ngoelaskeun minjak kalapa kana ĕmboen-ĕmboenan tiloe kali, toeloej diparantjahan kijeu, „Sangratoe tjokot, oelah satjokot-tjokotna, dagoan pamere aing.” Ijeu oge karĕpna soepaja oelah longlongan.

24, Oepama ngaleuseuhan hawoe oelah njĕboet „euweuh”, matak malarat.

25. Lamoen dahar, sangoena beunang njangoe dina hawoe weuteuh, papatjoewan oelah dek ngadjak dahar ka batoer, koedoe toengkoel bae, soepaja beunghar. [ 133 ]Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/148 [ 134 ]26. Oelah tjingogo di parako, matak heuntjeut oetjingeun.

27. Malĕm Djoemaäh koedoe ngoekoes sarta oelah pareum damar, djeung koedoe disadijakeun kĕndi beunang minoehan, seupaheun djeung roeroedjakan gonjokkean deukeut damar di tĕngah imah, maksoedna njoegoeh Nji Sri.

Babakoena anoe sok ngalampahkean kitoe teh, toekang tani anoe hajang dipikaäsih koe Nji Sri.

28. Oelah heës handapeun pangĕrĕt, matak ditoempakan koe eureup-eureup.

Aja oge hidji doewa djĕlĕma anoe njarita, jen manehna geus papanggih djeung eureup-eureup. Eta eureup-eureup teh djoerig, roepana djiga nini-nini hideung, babakoena tjitjingna dina pangĕrĕt.

Oepama aja noe sare handapeun pangĕrĕt, toeloej toeroen noempakan, nĕpi ka teu bisaeun ngambĕkan noe sare teh.

29. Oelah heës nangkarak, matak ditoempakan djoerig.

30. Oelah sok njoö bejas, matak didjoewal koe towa.

31. Oelah sok lalanggiran, matak paeh indoeng.

32. Ari njitjikeun tji asak kana tjatjangkir oelah leber teuing, matak dikoelak deungeun, tĕgĕsna dioenghak batoer.





[ 135 ]Kaca:Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde, LI.pdf/150 [ 136 ]

AANTEEKENINGEN.




  1. pabidähan grw. bidäh (Ar. بدعة), kettersch, ketterij; hĕnteu moepakat djeung sarä (C.).
  2. watĕk volgens (O.): het vermogen van een tooverformulier, hier vermogen effect van de bijgeloovige handeling.
  3. Kasiat (Ar. خاصية) heeft ongeveer dezelfde beteekenis als watĕk; volgens (C.) = pĕrbawa, welk woord in die beteekenis ook in dit stuk voorkomt.
  4. roengsĕb (C.) niets dan graat zijn van kleine vischjes; volgens (O.) ook: zijn met uitstekende steenen, blootliggende wortels.
Soend.—Holl. Samenspr. van Holle en Karta Winata: blz. 47 „hĕnteu roengsĕb didaharna” = geschikt om gegeten te worden; roengséb: ongeschikt daarvoor, door te veel graten.
roengsĕb pikirna: onasngenaam gestoorde gedachten, zorg, getob.
  1. sarat (O.), middel, vereischte enz. (Ar. شرط)
  2. salamangsa en sagawajah, verkortingen van sagalamangsa en sagalawajah.
  3. naäs of nahas = (Ar. نحسر).
  4. ngagaloedra ngoepoek van galoedra of garoeda, draak , griffioen, i.h.a. groot fabelachtig dier en ngoepoek zich bakeren in het zand zooals een kip, nadat deze met pooten en vleugels daarvoor een kuil heeft gemaakt.
ngagaloedra ngoepoek wordt dus gezegd van een terrein, dat er uitziet alsof een groot dier daar in een kuil heeft gelegen.
  1. kalindeukan van grw. lindeuk, mak, tam, beteekent: gewend zijn, zich op zijn gemak voelen of de plaats waar dat het geval is. [ 137 ]
  2. ngĕmbĕng: onder water zetten of, zooals hier: stilstaan van water.
  3. reja anoe diampihan enz”; de bedoeling zal wel zijn: opdat er meer ontvangen dan uitgegeven worde.
  4. adoh (Jav.) = djaoeh.
  5. ngawangkong, praten kletsen (O); Soend. Holl. Samenspr. van Holle en Karta Winata blz, 169 II: „hajang noeloejkeun wangkongan kamari ijeu teja.”
  6. kadjongdjonan zie tonggoj; voortgaan, ook met niets doen, vandaar: indolent, onverschillig.
  7. katiban van Jav. tiba? vallen; katiban kala, getroffen, overvallen door rampen.
  8. bale watangan eig. gebouw, zaal, waar gewogen wordt, nl. de schuld of onschuld van beklaagden.
  9. oendang lajoean; omtrent de watékna van deze getalnaam wordt niets gezegd. De uitdrukking zal wel eene ongunstige beteekenis hebben, want oendang bet. wet, bevel, en lajoe, verkwijnen, verwelken.
  10. tangtang-angin, rijst gekookt in driehoekig gevlochten bamboebladeren.
  11. opak, broos, luchtig, bruin gebak van kĕtanmeel.
  12. borondong, gerooste kĕtan tot ballen samengekleefd door gesmolten arensuiker.
  13. dodol, soort van caramel mou, gemaakt van kĕtan meel arensuiker en ingedroogde klappermelk.
  14. wadjit, koekjes gemaakt van kĕtan (heele korrels), overigens dezelfde bestanddeelen als dodol.
  15. bontjeret, zie béntet (OC), naam van cen zeker insect dat zich ’snachts laat hooren. Het volgt meestal menschen die ‘snachts naar de rivier of andere plaats daar water is zijn geweest, om hunne behoefte te doen en wel omdat, zooals het volksgeloof wil, zijn jongen, die in het water zouden leven, mee opgeschept werden bij het zich reinigen.
Om het insect te verjagen werpt men er veelal naar met cen weinig water, onder het uitspreken van de woorden: tah [ 138 ]anak sija” (dasr heb je je kind). Deze lezing wijkt dus eenigszins af van hetgeen mij is meegedeeld.
  1. ngesedkeun grw. kesed (Jav.)
  2. Nji Sri of Dewi Sri, de bekende schutsgodin van de rijst.
  3. dihoeroensoeloehkeun van hoeroen, samenbinden en soeloeh, brandhont; dihoeroensoeloehkeun = als brandhout samengebonden en samen verbrand worden, of over één kam geschoren worden (O).
  4. longlongan babari bejak (C).
  5. Noe herang noe ngalenggang noe ngagentjlang, mahal sorangan” bet. ongeveer: „gij blinkende, heldere, lichtende, gij zijt de allerbeste,” en is een lofrede op de rijst.
  6. Sangratoe tjokot oelah satjokot-tjokotna dagoan pamere aing,” is een verzoek, waarschijnlijk aan Nji Sri, om niet van de rijst te nemen, maar te wachten tot daarvan gegeven wordt.