Tjarita Loetoeng Kasaroeng

Ti Wikipabukon

[ 163 ]

TJARITA


LOETOENG KASAROENG


NJA ETA


Goeroe Minda Kahjangan


ANOE NGADJADI


Ratoe Goeroe Minda Patandjala Seda


SARENG NOE GARWAÄN


KA


Ratoe Emas Poerba sari


SEUWEU


Mas Praboe Tapa Ageung


DI NAGARA


PASIR BATANG ANOE GIRANG.



[ 135 ]

TJARITANA


LOETOENG KASAROENG.



I

RADJAHNA.



Boel ngoekoes mendoeng ka manggoeng;
ka manggoeng neda papajoeng,
ka dewata neda maap,
ka pohatji neda soetji;
koering rek diadjar ngidoeng,
nja ngidoeng tjarita pantoen,
ngahoedang tjarita wajang;
njilokakeun njoektjroek lakoe,
njoektjroek lakoe noe rahajoe,
mapaj lampan noe baheula,
loeloeroeng toedjoeh ngabandoeng,
kadalapan keur disorang;
bisina neroes naroetoes,
bisina naradjang alas,
palias neroes naroetoes,
palias naradjang alas,
da poegoeh galoer ing toetoer,
ngembat papatah tjarita;
ti mendi pipasinieun,
ti mana pitjaritaeun,
tetep mah tina kahjangan,
ditandean tjoepoe manik,
tjoepoe manik astagina,
diwadahan sarat tangan,
ditoeroeban koe mandepoen,
diteundeun di djalan gede,

[ 136 ]

diboeka koe noe ngaliwat,
koe noe weroeh di semoena,
koe noe terang bidjaksana,
koe noe rantjage di angen,
diboeka patinghaleuang,
noe menta dilalakonkeun.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,

toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

II

Tjatoerkeun radja noe mana?

tjatoerkeun ratoe noe kidoel,
kami mah palias keneh,
bisi goeroe tanpa poehoen;
ratoe koelon kitoe keneh,
kami mah palias keneh,
bisi goeroe tanpa seler;
ratoe kaler kitoe keneh,
kami mah palias keneh,
bisi goeroe tanpa sangka;
ratoe wetan tatjan keuna,
bisi mareng tan landesan.

Tjatoerkeun wiwitanana,
wekasan di dinja keneh,
neda agoeng nja paraloen,
neda pandjang pangampoera.

Rek ngoesik-ngoesik noe tjalik,
ngobah-ngobah noe keur tapa.

Kiwari ngantjik di mendi,
ajeuna ngandjang di mana?

Di nagara Pasir batang,
Pasir batang anoe girang.

Saha eta noe ngalaman di nagara Pasir batang? [ 137 ]

Ngaran tiloe sakawoloe,
ngaran doea sakaroepa,
sahidji keunana pasti.

Ka Mas Praboe Tapa Ageung miwah ka toeang si-dalĕm, noe geulis Niti Soeari, kadeuheus di Pasir batang.

Sakiwari keur poepoetra,
poepoetra reana genep,
teu gadoeh poetra lalaki,
toeang poetri kabeh istri,
pajoesan meunangna loeloes,
kakasih beunang pipilih.

Saha didjĕnĕngkeunana?

Hidji Mas Poerba rarang, doea Mas Poerba endah, tiloe Mas Poerba dewata, opat Mas Poerba kantjana, lima Mas Poerba manik, gĕnĕp Mas Poerba leuih.

Katoedjoeh djeung poetri boengsoe, saha didjĕnĕngkeunana?

Ngaran tiloe sakawoloe,
ngaran doea sakaroepa,
sahidji keunana pasti.
Nji Mas Poerba sari,
Poerba sari ajoe wangi,
Kantjana ajoe dewata,
Dewata radjoena tapa,
Tapa ĕmas tapa radja,
Radja mas tapa koesoema.
Sĕmoe ratoe sorot menak,
boeloe bitis moeril-moeril,
tĕtĕngĕr djadian koering;
boeloe poendoek mioeh-mioeh,
tĕtĕngĕr djadian tahoen;
sangatoeang dina tarang,
tĕtĕngĕr djadian koeras;
poetĕr koeroeng dina iroeng,
tĕtĕngĕr tĕmah wong agoeng;
tapak djalak dina letah.
tĕtĕnger bisa marentah;
taktak taradjang djawaeun,

[ 138 ]

geulis ti nitis ngadjadi,
djalma lfndjang ti pangpangna,
geulis datang ka ngalahir,
teroes ka langit pingpitoe,
parat ka tjongkar boeana,
komara mantjoer ka langit.

III

Tjek Poerba rarang: „geugeulisanan, Poerba sari, bakal ngalindih ka aing, tjing, sia mangka deukeut, sia daek diboborehan.”

„Koemaha pangĕrsakeun, si-teteh.”

Loedak-ledok diborehan,
lain teu woeni boboreh,
dipoelasan keer tahoen,
noe geulis ngadadak goreng,
hideung batan wadah teuleum,
bangbang awak batan gagak,
ngan sorotna henteu leungit,
sasemoe keneh djeung amboe;
pakean djiga kiramaj,
karembong sabaroeboetan,
salindang sariga rambang;
dibahan boboko boentoeng,
dibahan tjetjempeh rombeng,
dibahanan koedjang boentoeng,
bawaeun linggih ka goenoeng.

IV

"Adi, sia hajang hiroep ta hĕnteu?"

"Teteh, teu kangkat, teu ngalalangkoengan ngapapalangan. Mana hiroep koe Goestina, mana waras koe Sang Widi, waloeja ti kawasana, teu beunang dipake kahajang kaĕmboeng; sing hade kari koemaha pangĕrsakeun djĕnĕng si-teteh."

"Lamoen sia hajang awet hiroep, di ditoe piĕnggoneun sia, di Goenoeng Tjoepoe mandala ajoe, mandala kasawiatan di hoeloe dajeuh,

dina paloepoeh sabebek,
dina hateup sadjadjalon,
dina tjai teu inoemeun,
dina aplaj teu tilaseun,
dina djalan teu sorangeun,
sakitoe kasaramoenan."

[ 139 ]"Teteh, kari koemaha pangĕrsakeun bae."

"Mama lengser, anteurkeun si-boengsoe, si-Poerba sari."

"Noen, pangoeloe tandang, soemoehoen darma panjaoer, tarima dipangandikana toeang, koering teu lambat ngadeuheusan, rek amit moendoer."

Tjedok njĕmbah; indit ngoesap birit, angkat ngoesap sindjang, bisi kawiwirangan keur ngawoela.

Djoet toeroen si-lengser.

Poerba sari sedok njĕmbah: "teteh, awak ing amit moendoer, teu lambat ngadeuheusan."

Djoet toeroen.

Katjatjang kolear angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag sabot seba.

Mama lengser djadi oejoenan.

Mĕtoe lawang mandjing lawang,
mĕtoe di lawang pingpitoe,
datang ka lawang pingsanga,
dangdeung ka lawang paseban,

Djoeg ka aloen-aloen, ka lawang panggoeng,

parapas ka lawang loear,
mĕdal ti lawang saketeng,
koelantoeng toeroet loeloeroeng,
loeloeroeng tiloe ngabandoeng,
kaopat noe keur disorang,
kalima heuleut-heuleutan.

Djoeg ka pipir goenoeng, kana paloepoeh sabebek, kana hateup sadjadjalon, Mama lengser ngalahir: "nja ieu pigeusaneun betah."

"Rama, teu kapoendi koe goesti, teu katampa koe radja, Mama lengser, teu tarima diboeang, tarima dititah tapa. Kadjeun nalangsa ajeuna, soegan mangpaat djagana, da koe nagara dipista."

Sedok njĕmbah Mama lengser: "toeang, koering rek amit balik, teu lambat ngadeuheusan."

"Mama lengser, tjoendoek nganggoer sindang palaj da kami tingara keneh, koe teteh teu dibĕkĕlan; Mama, pangampoera bae."

"Oelah pandjang dipitjatoer, geus katĕda, katarima".

Sedok njĕmbah; indit ngoesap birit, angkat ngoesap sindjang; djoet toeroen kaloentjieur pinggir moelih.

Henteu dibilang di djalanna, dibilang datangna bae.

Djoeg ka nagara, boes ka padalĕman.

"Bagea noe tjalik"; sedok njĕmbah Mama lengser.

Poerba rarang orokaja gantjang nanja: "Poerba sari geus dianteurkeun?"

"Noen, pangoeloe tandang, ĕnggeus reres". [ 140 ]„Lebok poeas ngeunah sorangan, taja batoerna dina leuweung loeang liwoeng?”

Lengser tjatjap hatoeran: „tas nganteurkeun Poerba sari, tas ngaboeang Poerba sari.”

Si-lengser ngeplanan palaj.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

Tjatoerkeun di pipir goenoeng.

Poerba sari tjalik dina paloepoeh sabebek, dina hateup sadjadjalon:

ngagedengkeun sanghjang kintjir,
kapenit kakoerilingkeun,
wajahna da keur gawena,
soegan tjitjing lalaoenan;
ngagedengkeun sanghjang seëng,
kabarangsang kapanasan,
sangkilang ditatangankeun,
wajahna da keur gawena,
soegan tiïs lalaoenan.

Poerba sari keur ngeureunan, meudjeuhna palaj.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

V.

Neda agoeng nja paraloen,

neda pandjang pangampoera.

Tjatoerkeun ratoe di manggoeng, tjarita di kahjangan.

Goeroe Minda Kahjangan, anak dewata, tjikalna titisan Goeroe Hjang Toenggal, seuweu batara di langit, ngaboedjang di paradewata, kasep taja papadanna, keur meudjeuhna tegoeh tjangtjoet.

Toeloej ngimpi kagoengan bebene saroepa djeung Soenan amboe; ngalingling ngadeuleu maling.

„Oelah goreng tingkah ka pangasoeh, pamali batan maling, haram batan djinah; geura boro pidjodoeun, aja noe saroepa djeung amboe di boeana pantjatengah.”

„Oelah oedjoeg-oedjoeg ka dinja, ieu anggo raksoekan heula dina sanghjang mega hideung, pendok emas rekakeun bakal ing boentoet, emas doea penggel tapelkeun di loearna.” [ 141 ]Enggeus nganggo raksoekan, salin djenengan kana Gan Loetoeng Kasaroeng, kasaroeng koe sadoeloer, kasimpar koe barajana.”

„Djalanna kana noenoek anoe djenoek, kana malaka anoe rea. Djoeg ka peundeuj ageung sato djenoek mangka taraloek, sato rea mangka araja, sasoegrining sasatoan, sakoer noe bisa oesik, sapangeusining djagat gorombiangan, lamoen geus taloek kingkila teroes ing ratoe, rembes ing koesoema; lamoen teu taloek, kingkilaning lain.”

Oelah bon sipat ing noe oesik, rongrong gogodongan pada njembah soedjoed ka dinja:

noe ti kidoel njembah ngaler,
noe ti kaler njembah ngidoel,
noe ti koelon njembah ngetan,
noe ti wetan njembah ngoelon.

,Toeloes awak ing teroes ing ratoe, rembes ing koesoema, da sakabeh pada soedjoed.’

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

VI.

Tjatoerkeun di boeana pantjatengah oemboel pogor nagara Pasir batang.

Ngandika sangratoe ka si-lengser: „geura dikongkon Aki panjoempit ngalasan ka leuweung iwak satoning loetoeng.”

„Oelah rek kasoeroepan panon poë kabedoegan, lamoen kabedoegan, teukteuk beuheung tilas adegan, Ki panjoempit katoet anak rabina.”

„Noen, goesti sembaheun koering, soemangga, darma panjaoer.”

Sedok njembah; indit ngoesap birit, ngoesap sindjang, bisi kawiwirangan keur ngawoela.

Djoet toeroen:

katjatjang koleang angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag ngalalangkah;
metoe lawang mandjing lawang,
medal di lawang pingsanga,
dangdeung ka paseban ageung.

Djoeg ka aloen-aloen:

medal ka lawang saketeng,
koelantoeng toeroet loeloeroeng,
loeloeroeng tiloe ngabandoeng,
kaopat noe keur disorang,
kalima heuleut-heuleutan.

[ 142 ]Djoeg ka Aki panjoempit: „dahalal, Aki panjoempit, neda eureun.”

„Bagea noe tjalik.”

„Neda ngeureunan palaj.”

„Lengser,” orokaja gantjang nanja, „reuas amboe ing sieun, na datang dipiwarang na tjoendoek dipioetoes, na niat sorangan?”

„Noen, rampes pikonokeun.”

„Tjoendoek dipioetoes, datang dipiwarang, ngemban pangandika ti nagara. Aki panjoempit dipoendoet gawena ngalasan ka leuweung iwak satoning loetoeng, patjoean rek kasoeroepan panon poë kabedoegan, moen kabedoegan teukteuk beuheung tilas adegan katoet anak rabina, tjek timbalan.”

„Ari sanggoep bisi loepoet, ari tanggoeh bisi poös; hatoerkeun rampes bae.”

„Meunang henteuna, koemaha bagdjana, soegan aja bagdja goesti lawan koering.”

Lengser amit moendoer, teu lambat ngadeuheusan.

Djoet toeroen kaloentjieur pinggir moelih.

Teu dibilang di djalanna, dibilang datangna bae.

Djoeg datang ka nagara, gebloes ka padaleman.

Sang ratoe kasampak kasondong aja.

„Bagea noe tjalik.”

Parapas moeatkeun sembah: „tarima noe ngawoela.”

„Lengser, dipiwarang ka Aki panjoempit, koemaha wangsoelanana?”

„Noen, goesti sembaheun koering, dipiwarang tjoematjap pisan. Tjek Aki panjoempit: „meunang henteuna koemaha bagdjana, soegan bagdja goesti lawan koering.”

Lengser ngeureunan palaj, tas dipiwarang.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

VII.

Tjatoerkeun Aki panjoempit.

„Nini, sodorkeun wawatang soempit lima tjekel gedena, tiloe deupa pandjangna, sarta mimis soempit, tiloe hoeloe reana sagede kalapa beunang ngaboetik, boes kana kodja Dengdek poë.”

Goeroedjag kaämbenkeun, sangrog kapantokeun.

„Aki, rampes, geura kami kamajangan, boeöek pandjang dibaloengboeng, salangkoeng adjeng koe ratoe, soegan meunang abonna adjang oerang.”

„Eh, si-nini mah sok ditodong.”

„Nodong soteh djalan bongbong,
nindak soteh djalan moendak,
pedah kita arek nandjak,
lemek soteh djalan naek,
pedah kita arek naek,
soegan bagdja lalaoenan.”

[ 143 ]

Prak eta noe dangdan, dangdan soteh babarangan, ngaran si-nalangsa keneh.

Beunang sadadamping bedjog,
beunang saboek baroeboetan,
beunangna sabadjoe bedjog,
beunangna saïket bedjog,
beunangna samanggoel soempit,
mengkled sorenna sadoehoeng;
katjatjang kolear angkat,
beunangna ngeupatkeun koedjang,
nja angkat digeura-geura,
geura soteh ning oetama,
angkatna diage-age,
age soteh ning parele.

Ngaboeroe gawe noe gede, koeroesoek ka leuweung boesoek paranti sampalan moending; linjih ambrin taja simeut-simeut atjan ngan geus taloek ka loetoeng.

Lebet ka soemeneng djati kana remeng djeung nangsi, songkrong kana galonggong, nandjak kana tegal papak njenjerean paranti sampalan badak, taja sireum-sireum atjan.

Djoeg ka tegal siawat-awat paranti larangan goesti, ngala di dieu bae, rea mo kotjap dibilangan loetoengna, taja loetoeng sidji mah.

Ngalirik ka loear dina kajoe pangodengan, ditoöng, pelong kosong; kana boengkoel liang lemboet, soegan tampeuj teuweulna, ditoöng, pelong kosong keneh bae.

Njoreang ka handap karawang liangna badak, landak, ditoöng, pelong manggih kosong keneh bae; njoreangan kateoheun tjatang soegan patingkatjatjang peutjangna, manggih kosong keneh bae.

Koelinting kana toenggoel anoe oenggoel, soegan manggih oetjing meuting, manggih kosong keneh bae.

Ngahoeleng, ngaboentel tineung.

„Loeangna idin goesti matak moekti, idin radja matak bagdja; oelah bon bagdja teu engang, teu odeng, teu tiwoean-tiwoean atjan, oelah kageden loetoeng. Ari timbalan, gila koe tarik, oelah kasoeroepan panon poë kabedoegan, ari sagorolongeun, lamoen kieu, toeloes toeg hoeloe bet njawa beuheung, ari pake kamelang taja deui beurang peuting lian si-nini.”

„Ah, rek balik bae, rek njimpang ka leuweung doengoes, aja tangkal peundeuj ageung loeangna leubeut boeahna. Rek ngeusian kodja Dengdek poë, tamba poelang teu nogentjang, da loetoeng henteu meunang.”

Salangkah katiloe datang.

Djoeg ka peundeuj ageung, ngalangkang djiga kalangkang djelema.

„Tetela satoning loetoeng redjeki keur ngadagoan, redjeki kaboeritnakeun.”

Top njokot mimis soempit tina kodja Dengdek poë. Bloes kana wawatang soempit, ngadoger, ditioepkeun . . . . sedot tjelok beungeut, tjelok di toekang. [ 144 ]"Eh, loetoeng teh, mangka madawa, lain loenta lain maladara pakon ti goesti."

Digedogkeun.

Braj waloeja deui, ditioepkeun deui; plas lambe ti gigir ngaloehoeran taktak.

"Eh, loetoeng teh, mangka madawa, tjing neneda ka noe seda ka noe sakti, lain maladara pakon ti goesti."

Braj waloeja deui, ditioepkeun deui; raket kana lambe wawatang soempit.

"Eh, loetoeng teh, mangka madawa, tjing neneda ka noe kawasa, ka noe seda, ka noe sakti, lain maladara pakon ti goesti."

Braj waloeja deui, sedot ditioepkeun, madjoe mimis soempit kapoehoekeun, loeangna ditioepkeun, loempat katjongokeun.

'Ari ieu loempat ka poehoe, lamoen naradjang, tjaheum dewek meureun pasengsol.'

Teu weleh dipangpeng, ngababoek raket kana tonggong.

"Ieu naon gogodana, tjing, geura bebedja, soara mangka banget."

Kasoara, tan katingalan.

Ngalirik ngidoel soewoeng, ngoelon kosong, ngaler rehe, ngetan taja, ngarasa geus boerit moeringkak poendoek saking sieun.

"Tjing, sakali deui masing banget, tatjan tetela awak."

"Aki panjoempit, oelah disoempit, arek ngakoe rama poeloeng, hajang betah di boeana pantjatengah, hajang njaho di hareupeun dalem dajeuh."

"Ih, kakara manggih loetoeng bisa lemek, saoemoer hiroep aja di alam doenja."

"Soekoer, oetoen, geura toeroen."

Djoet toeroen tjoeroeloek tjipanonna:

disoesoetan mangka saät,
batan saät anggoer djenoek,
loekrah ragragan ka handap,
katonggoheun peundeuj ageung.[1]

"Oetoen, koedoe ditalian."

"Montong; rek leupas mah, hamo toeroen-toeroen atjan."

Balik gasik leumpang gantjang,
kodomang loetoeng pandeuri,
leumpangna doemontja-dontja,
boentoet bereleng kantjana,
boentoet emas ditjentangkeun,
nja hoeroeng sariga lajoeng,
nja herang sariga bentang.

Djoeringkang mandjangan sapasang. Sasoegrining sasatoan tembong deui; ari tadi diboebarkeun, ajeuna diajoeh deui.

"Aki panjoempit, mandjangan teh geura disoempit, engke beunang."

  1. Lintoeng pinasti djadi wasiat, mana katelah Tji-loetoeng oeroet tjipanon Goeroe Minda Kahjangan, waktoe toeroen ti peundeuj ageung, dek sirah niba ka lemah, pinasti djadi wasiat ketelah Goenoeng Sirah datang ka kiwari.
[ 145 ]Djoeg disoempit, meunang mandjangan hidji. Dipeuntjit, disisit da geus boerit; boes kana kodja Dengdek poë.

Toeloej tembong ka tebeh hareup, manggih mandjangan sahidji deui. Djoeg disoempit, disoesoel, dipeuntjit, disisit da enggeus boerit; boes kana kodja Dengdek poë. Mandjangan sapasang andeg toenggoe djoeroe bae dina kodja Dengdek poë, gabig disorendangkeun kana sorenna doehoeng; sedeng embatan tjangkeng mandjangan sapasang.

Tjoel ka tebeh hareup, ngaliwat ka pipir goenoeng.

"Aki panjoempit, goenoeng teh geura toegar, engke aja goöngan."

Toeloej ditoegar, meunang goöng sabendeëun panoedoehan loetoeng.

Angkat lantoeng ngarangkiboeng,
meunangna loetoeng sahidji,
doeana noe bisa lemek,
tiloena mangka madawa,
redjeki kaboeritnakeun.

Djoeg ka imahna Aki panjoempit; ari datang ari poëk, broeg mandjangan ditindihkeun.

"Oetoen, geura tjalik dina bale."

Bros tiporos biritna loetoeng di bale Aki panjoempit.

Aran si-nalangsa keneh.

"Nini, si-Aki datang."

"He si-Aki njieun altman, loepoet njieun altman, koedoe baheula keur ngora, ajeuna mah patitis pinoeh koe hoeis."

"Lain aleman, meunang loetoeng sahidji bisa lemek, doea mangka madawa, ka aing ngakoe rama poeloeng, ka si-nini ngakoe amboe poeloeng, na rempoeg na henteu?"

"Madjar mnpoeg, salah henteu madjar rempoeg, salah bisi teu rempoeg djeung anak poetoe noe salawe koeren. Geura boro, nini, sia teu oeninga pibedjaeunana, kieu dikoempoelkeun tea mah."

Sanggeus daratang anak poetoe kabeh, tjek Aki panjoempit: "meunang loetoeng sahidji bisa lemek, ka aing ngakoe rama poeloeng, ka si-nini ngakoe amboe poeloeng, rempoeg ta henteu?"

Anak poetoe noe salawe madjar rempoeg kabeh.

Ari geus kitoe, tjek si-Aki : „ieu mandjangan sapasang goeroedag tina kodja Dengdek poë."

"Brak dipoerak."

Babatjakan anak poetoe,
noe salawe pada njempal,
pada ngeureut pada manggang,
pada ngangeun pada namboel,
tingdarekdek, tingberebet.

Noe ngarengkas toelang, ngadjingdjing daging, ngagandong polo, ngadjarah babat, ngegelan hatena, njoehoen wawadoekna. Sakeudeung paragat anggeus, [ 146 ] linjih dagingna beak ka toelang-toelangna, seëp ka tjeker-tjekerna parandene ngan sahoeap sewang, linjih ambrin, geus poëk, balik sewang-sewangan sadoengoes-doengoesna.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

VIII.

Tjatoerkeun Sanghjang loetoeng.

Tjalik di imah Aki panjoempit, ras inget ka sisirepna; ditioepkeun, diaos, pada kataradjang toendoeh kabeh, bakbek pada ngedeng, noe hees patinggalerek, noe dioek patinggaleloer. Geus tjebrek, taja sora djalma, ngengtjep-ngengtjep kawas gaäng katintjak.

Sanghjang loetoeng ngalirik, ka loehoer tembong ka langit, ka teoh montjor ka taneuh, ka gigir hanteu bilik-bilik atjan.

Ngandika sadjeroning angen: "karoenja koe Aki panjoempit, gila koe riksak, dideuleu pakoeon djiga lain enggon djelema. Rek neneda ka Soenan amboe, ka amboe neda pitoedoeh, ka rama neda mangpaat, moega toeloes nja pangdjoengdjoeng, moega laksana pangdjiad; rek misalin Aki panjoempit peuting ieu."

IX.

Tjatoerkeun di manggoeng, tjarita di kahjangan.

Soenan amboe teroes panon batan katja; katingali salawasna.

"Boedjangga sida, boedjangga sakti, itoe, si-Oetoen roepana geus datang ka Aki panjoempit, geura djoengdjoengkeun seuweu ratoe, geura djajak seuweu radja, si-Oetoen hamo datang ka nagara lamoen teu djalan ti Aki panjoempit."

"Boedjangga sida imahna,
boedjangga sakti balena,
na dewata noe ngeujeuban,
mangka aja samaktana,
sarta djeung ingon-ingonna."

Satoedoeh metoe, sakedap netra, sadjiadna tinoeroetan, ti loehoer lemboet datang ka handap badag.

Tes, djleg ngadjengleng bale kantjana, hateup genteng omas, sisi ngajapak imahna pisan.

Dirandjangan tiloe oendak,
ngalambereh kasang tjinde,
kasoerna lalambe soetra,
simboetna sindoer Banggala,

[ 147 ]

ditoempalan koe peremas,
lalampitna permedani,
loeloehoer halimoerentang,
koenang-koening kawas gading,
kawas salaka sinangling.

Di tengah tjatjaritaan,

tjiptana paradewata,
hoeroeng koe parada pasoeng,
herang koe parada kompjang,
loeloehoer djeung rereganna.

Tes, kompjang:

mabetan djaregdjeg randjang,
koemiriling koemirintjing,
mabetan kana goegoeling,
katinggang koe angin leutik,
papadjangan hoeroeng herang,
pamisalin Sanghjang loetoeng.

Aki panjoempit ongkoh sare, si-Nini djeung si-Aki.

Braj beurang; koelisik Nini panjoempit oesik, kodjengkang hoedang.

,Njoreang ka loehoer ngempoer,
njoreang ka handap herang,
awak ing sangli ka mendi.
awak ing sasar ka mana?'

,Kalamari nja imah gila koe riksak. Ka loehoer tembong ka langit, ka handap tembong ka taneuh, kasampak papadjangan hoeroeng herang.'

,Sok sieun teuing asoep, sileman, siloeman.'

"Aki, geura hoedang."

Koredjat hoedang.

"Nini, oerang sangli ka mendi, sasab ka mana?"

"Sok beuki teuing lemek." "Si-Nini saroea tatjan eling."

Geredeg loempat naradjang kasang tjinde; Nini ngaringkoek loentjat ka taneuh, rek ka doedoekoehan.

"Oetoen, oerang sangli ka mendi sasab ka mana?"

"Owah, Aki panjoempit, oelah redjag, oelah reuas, loemajan pamisalin loetoeng."

"Loetoeng kangkat misalin ti mana ? Sieun dipamalingankeun ; loetoeng mah taja gawena?"

"Liar ti peuting meunang ngala boeroeh ngimpi- naek."

"Soekoer sarewoe, gerah salaksa, daek boga anak poeloeng loetoeng, tiloe kali kita komo daek, tiloe kali awak ing daek. Toedjoeh kali boedjang loetoeng noe matak oentoeng liwat ing moetjoeng da oentoeng papadjangan hoeroeng herang."

"Sok deudeuh, djeneng si-indoeng." [ 148 ]Si-indoeng banget emanna ngalemna ka boedjang loetoeng.

Rendjag inget ka timbalan: oelah kasoeroepan panon poë kabedoegan, datang ka beurang deui.

"Geura anteurkeun ka nagara, oelah pati kadatan, da oerang geus dipiboga." Si-Nini rada keueungeun.

"Oetoen, tjoeang ka nagara nanging eta andjingna galede pisan."

"Ari andjing beukieun ka loetoeng?"

"Top bae, Nini, kadieukeun pakean, aing rek loenta ka nagara."

"Oetoen, tjoeang miang ka nagara."

"Loetoeng mah tarima noetoerkeun?"

Katjatjang kolear angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag nja ngalangkah,
mengled anoe njoren doehoeng,
ari doehoeng tjiri loenggoeh,
meunangna ngeupatkeun koedjang,
ari koedjang tjiri djaba,
bisi polah di nagara,
tarima rek koemawoela,
kongdomang loetoeng pandeuri,
leumpangna doemontja-dontja,
boentoet bereleng kantjana,
nja hoeroeng sariga lajoeng,
nja herang sariga bentang,
balik gasik leumpang gantjang,
koelantoeng toeroet loeloeroeng,
loeloeroeng tiloe di poengkoer,
kaopat eukeur disorang,
kalima lawang saketeng.

Djoeg datang ka aloen-aloen:

aloen-aloen karang panggoeng,
dangdeung ka paseban ageung,
metoe di lawang pingpitoe,
lebet di lawang pingkanem,
lawang koeroeng adoe pasoeng,
lawang sanga adoe warna,
lawang kori adoe manis,
dingaran lawang kameumeut,
meumeut kagoengan padalman.

Djoeg ka padateman, sangratoe kasampak kasondong aja: "bagea noe tjalik." Parapas moeatkeun sembah, tarima keur koemawoela.

Ngandika sangratoe, emboet njaoer bentes njora mariksa ka Aki panjoempit: [ 149 ]"koemaha, pedah kalamari ngalasan ka leuweung ngala iwak satoning loetoeng oelah kasoeroepan panon poë kabedoegan, datang ka beurang deui aja bedja rantjana naon?"

"Noen, goesti sembaheun koering, taja bedja rantjana, redjeki kaboeritnakeun ngeureunan di imah, ngeureunan tjape reup kaheësan, ari inget isoek deui, kari koemaha pangersakeun pedah henteu ngeusi satimbalan."

"Koemaha, aja beubeunangan, Aki panjoempit, madjar meunang bisi teu meunang, meunangna?"

"Meunang pisan masih hoeripan."

"Kadaharan hmteuna scdja mo ngilapkeun, hatoer soteh hatoer kosong meunang mandjangan sapasang, antara hees dirantjana koe anak poetoena, teu kanjahoan, kari koemaha pangersakeun."

"Aki panjoempit, mangkala ngala laoek dahar laoek, aja keneh adilna."

Djongdjon Aki panjoempit keur ngeureunan palaj.

Ngandika sangratoe: "Lengser, mo poelang mapah Aki panjoempit, tas mangalakeun loetoeng, parinan djaran koeroeng daoek roejoeng katoet djeung rarahabna pisan."

Wangsoel Lengser: "noen, goesti sembaheun koering, soemoehoen, darma panjaoer."

Tjedok njembah:

indit-indit ngoesap birit,
angkat-angkat ngoesap sindjang,
kirintjing njokot kadali,
djoet toeroen ngalaan pantjir,
soeroedoet ngalaan sorog.

Goeloesoer koeda dibawa ka tengah karang, top njokot rarahab, prak dangdan:

noe dangdan teu pati sae,
diambenan tali datoe,
apoes beuheung tjinde beureum,
apoes boentoet tjinde woeloeng,
tjalakatakan tjandana,
sanggaoewangna koe lojang,
montjorong melong kantjana,
sangawedi mas koemambang,
pepetjoet pangnjalin tingal,
meunang natapaj koe emas,
kadali teu pati apik,
adeg ranggahna kantjana,
disebrakan koe kombaja,
roengkoep tonggong tjinde abang,
geus entep reudjeung parele,
ngalirik ka tebeh kentja,
ret koedana ditjangtjangkeun;

[ 150 ]

top binang kana biringna,
koe tjampaka siger djantoeng,
katoet djeung pajoengna pisan,
pakean saroea doea,
sakitoe saroea milik.

„Silah, ajeuna batoer djero lima koeren, rek pindah ngawoela parasikepan banda sewang-sewangan."

Gebloes ka padaleman.

„Bagea noe tjalik."

Terengteng moeatkeun sembah.

„Noen, goesti sembaheun, koering dangdan geus entep djeung parele, doega prajoga, teu kangkat ngalalangkoengan sedja mo ngilapkeun goesti."

„Aki panjoempit, teu boga pamingkis-mingkis da teu geulis, pamoelang taat teu koeat, tarima dipangalakeun sato loetoeng."

„Noen, goesti sembaheun koering, tarima darma gagadoeh goesti, ngahatoeran amit, teu lambat ngadeuheusan."

Tjedok njembah, djoet toeroen.

„Ooetoen, geura tetep."

Inggoek; ngan sakitoe nembalna.</poem>

Batoer djero lima koeren,
tjekelan sewang-sewangan,
kana binang kana biring,
koe tjampaka siger djantoeng,
katoet djeung pajoengna pisan,
noe saoerang kana djaran,
koeda koeroeng daoek roejoeng.

„Rek balik ti nagara."

Katjatjang kolear angkat,
metoe lawang mandjing lawang,
metoe di lawang pingpitoe,
datang ka lawang pingsanga,
dangdeung ka paseban ageung.

Djoeg ka aloen-aloen:

parapas ka lawang loear,
medal ka lawang saketeng,
koelantoeng toeroet loeloeroeng,
loeloeroeng tiloe ngabandoeng,
kaopat noe keur didjaga,
kalima heuleut-heuleutan.

„Mo pamali da geus djaoeh ti goesti, mo mapada da geus djaoeh ti radja."

Nete ka sangawedina,
mas koemambang tjeklak toenggang,

[ 151 ]

koeda tjongklang lemboet manggoet,
tjongklang badag mamandapan,
sisirig bari adean,
ditilik ti kaänggangan,
djiga mantri pantjakaki,
saleber samber koe pajoeng,
pajoeng tjawiri pandeuri,
pajoeng bawatna ti heula,
toembak biring ti pandeuri,
koedoe tjampaka ti heula,
siger djantoeng ti katoehoe,
pentjok saeng tebeh kentja,
dihapit koe toembak binang,
broeg ngagimboeng, braj ngabantaj,
soerakna eundeur-eundeuran,
sadjongdjongan saherojan.

Djoeg datang ka imah Aki panjoempit.

„Nini papagkeun."

Ret njoreang; „mantri ti mendi, radja ti mana ka kami rek ngadjarahan?"

Geledeg loempat ngaroengkoepan maneh koe said roentah, toedjoeh said katoet anak poetoena pada njoemoeni.

„Nini papagkeun.”

Kodjengkang hoedang, goeroedjag ka amben, sangrog ka panto.

„Aeh, koetan Aki panjoempit, sapanjana noe rek ngadjarahan, nitihan kagoengan radja, teu boga pisan mapada, bati naon, dagang naon?”

„Bati boedi ladang kaja,
koemawoela di nagara,
lila-lila manggih bagdja."

„Kilang kitoe dipangloempatkeun koe si-Nini."

„Sapanjana noe rek ngadjarahan, koetan teh si-Aki, geus karoehan si-Aki, rampes, tjalik."

Si-Aki reudjeung si-Nini braj ngamparkeun lampit koening tambir emas paparinan ti nagara. Prak tjalik si-Nini djeung si-Aki ; prasikepan batoer djero lima koeren wewengkon sewang-sewang. Hol anak poetoe noe salawe koeren, noe ti kolong, noe ti kebon, pada datang.

„Geus karoehan, Aki panjoempit, tadi sapanjana noe rek ngadjarahan."

Teu katata teu katiti,
nitihan di oerang sisi,
didjenengkeun djalma midji,
merdika nja salawasna,
djenoek batoer rea bala,
soegih moekti rea boekti,

[ 152 ]

beurat beunghar rea banda,
taja kahoetanganana,
dadjalan ti boedjang loetoeng,
dipoendoetan koe sangratoe.

Katindih manik, katjaähan mega, keur meudjeuh ngeureunan palaj.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

X.

Tjatoerkeun di nagara.

Ngandika sangratoe: „Lengser, geus meudjeuhna loetoeng teh dipoerak, dirandjap, meunang moendoet ti Aki panjoempit."

„Noen, goesti, teu kangkat ngalangkoengan, sato anjar keneh tatjan koengsi ngalemahan, meureun loempat deui ka leuweung."

„Rea temen wangsoelan."

Tanggah kana talawoengan, tjokot tohok pangbadakan sagede daoen tjaoe; tjeblok ditohokeun, deg kana taneuh.

Tohok bengkok loetoeng loempat.

„Lengser, naha mana bengkok?"

„Kabelengkok, goesti."

Tjeblok deui, tohok bingkeng, loetoeng loempat.

„Lengser, naha mana bingkeng?"

„Kabalinger, goesti.”

Loetoeng loempat kana pipir kolomberan.

„Lanjap temen loetoeng teh ka dewek."

Ketjeboer si-Lengser tikoejoek kana kolomberan, kokolopot si-Lengser. Loetoeng loempat kana pipir baleman sitoemang ngarendeng doea.

„Lengser, ka mana loetoeng?

„Pipir baleman."

Sitoemang ngahekok.

Tjeblok ditotog koe tohok, kabeneran ka si-toemang; si-toemang ngemasan pati.

Loetoeng loentjat kana gedogan djaran koeroeng daoek roejoeng. Tohok tjeblok, meneran djaran koeroeng daoek roejoeng; seg goledag ngemasan pati.

Loetoeng loentjat ka loehoereun si-Lengser, djoeg ka teoh karontok oeroetna bae.

Tjek sangratoe: „lanjap temen loetoeng teh."

Diwatek badina teu beunang, matek doehoengna dipangpengkeun, loetoeng loentjat.

„Lengser, oelah weleh ngabeledig, tjeloekan andjing oerang si-pangmoroan, pangbadakan, kitjik mere papanganan."

Geledeg andjing toedjoeh sagede koeda koemoesoet ditjeloekan. „Kitjik mere [ 153 ]loetoeng ngadahoeng, kitjik mere papanganan." Boentjelik ngadeuleu beungeut, andjing dihoetjoehkeun, ngadeuleu beungeut, geledeg loempat ti heula. Lengser djeung andjing pandeuri, loetoeng ti heula.

Geledeg andjing moro ka si-Lengser.

„Oetsi-oetsi," dihoetjoehkeun ka loetoeng, „njegetan ka dewek."

„Lain loetoeng samanea, loetoeng satjoeng geus wdeh teu beunang dibeledig.”

„Lengser," ngandika ratoe, „teu beunang dibeledig, tadi awak ing hajang loetoeng, ajeuna ngadadak teu hajang; da teu beunang dibeledig, geura hatoerkeun ka parapoetra aing noe genep.

Mimiti ka toeang raina, ka Poerba leuih; teu katampa, ka toeang rakana ka Poerba rarang."

„Noen, goesti, soemoehoen darma panjaoer ti pangandika."

Tjedok njembah: „noen, goesti, sembaheun, koering ngatoeran amit teu lambat ngadeuheus."

Djoet toeroen.

Katjatjang kolear angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag nja ngalengkah,
kodomang loetoeng pandeuri,
leumpangna doemontja-dontja,
boentoet bereleng kantjana,
boentoet emas ditjentangkeun,
hoeroeng nja sariga lajoeng,
herang nja sariga bentang.

Djoeg datang ka wewengkon parapoetra, kasampak ngagembrong ninoen dina bale boeboet, bale raoet, bale pantja pangeujeukan; ..da halal neda eureun.

„Bagea noe tjalik."

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser," orokaja gantjang nanja, „reuas pabaoer djeung sieun na tjoendoek dipioetoes, na datang dipiwarang, na niat sorangan? Soemangga pikersaeun, noen, rampes pikonokeun."

„Noen, pangoeloe tandang, tjoendoek dipioetoes, datang dipiwarang, ngemban pangandika ti toeang rama miwah ka toeang kersa dipiwarang ngahatoerkeun loetoeng, gawena mah teu aja pangwewera eukeur ninoen."

„Mama Lengser, loetoeng teh sok gede teuing bari kasep pisan, ari boentoetna ka toekang sidji, ka hareup sidji."

„Mama Lengser, sok sieun teuing koe mongkonongna."

„Teu, pangoeloe tandang, mo dinaha-naha."

„Daek soteh ngaboedjangkeun lamoen djalma anoe oetama, moen lalaki djalma pasti teureuh mantri, lamoen loetoeng kami emboeng, djalma ge pilihan keneh."

„Ari geus teu katampa, toeang, koering rek amit moendoer, teu lambat ngadeuheusan." [ 154 ]„Mama Lengser, tjoendoek nganggoer sindang palaj marengan soewoeng sadaoeh kapalang neangan, noenda dapakan, Mama, pangampoera bae teu kahatoeran lemareun.”

„Oelah pandjang dipisaoer, kateda, katarimakeun.”

Tjedok njembah; djoet toeroen.

Datang ka doea teu ditampa, tiloe nja kitoe keneh, kaopat kalina teu ditampa keneh, sieun koe djeneng si-teteh.

Djoeg deui ka noe tjikal Poerba rarang, nja kasampak keur ngagembrang ninoen dina bale boeboet, bale raoet, bale pantja pangeujeukan.

„Da halal rek amit ngadeuheusan.”

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah, tarima keur ngawoela.

„Mama Lengser,” orokaja gantjang nanja deui: „na tjoendoek dipioetoes, na datang dipiwarang, na kitoe niat sorangan? Soemangga, pikersaeun, noen, rampes, pikonokeun.”

„Noen, pangoeloe tandang, tjoendoek dipioetoes, datang dipiwarang, ngemban pangandika ti toeang saderek, miwah ka toeang kersa dipiwarang deui ngahatoerkeun loetoeng; da koe toeang raina henteu ditarampi, madjar rempag.”

„Lengser, loetoeng teh sok g^de teuing bari kasep, ari boentoetna ka hareup sidji, ka toekang sidji.”

„Lain boentoetna noe ka hareup mah, mongkonongna.”

„Sok sieun teuing koe mongkonongna.”

„Hamo henteu dinaha-naha.”

„Arina kitoe, sok tinggalkeun, bisi dingarankeun nampik pasihan ti rama.”

„Ari geus katampa, toeang, koering amit moendoer, teu lambat ngadeuheusan."

„Mama Lengser, tjoendoek nganggoer, sindang palaj keur marengan soewoeng sadaoeh, ti loear taja noe seba neangan kapalang noenda dapakan, pangampoera bae teu kahatoeran lemareun.”

„Oelah pandjang dipisaoer, geus kateda, katarimakeun; teu lambat ngadeu- heusan.”

„Tjedok njembah, djoet toeroen, sarta njampeurkeun ka loetoeng: „Oetoen, geura tetep.”

Inggoek; sakitoe nembalna.

Geledeg loempat, boes ka kolong bale; empes-empes ngadedengekeun, ngintip paramodjang noe lalendjang keur pada ngagembrong ninoen.

Nja tinoen woeloeng digantoeng,
nja tinoen poleng digedeng,
lelemen si-roedjak gadoeng,
roedjak gadoeng matak landjoeng,
matak tigoeloesoer koetoe,
matak tidajagdag toema,
matak tiragieung sieur,
matak tidjorongkong tongo,

[ 155 ]

satahoen padaoen kaoeng,
saboelan padaoen ilat,
sapoë ditoendjang bae;
ngetekan sariga keupat,
tes korompjang toropongna,
toropong ninggang panjetjep,
panjetjepan tjemeng koening,
aran tinoen kaboejoetan,
lain tinoen kaboejoetan,
mana paragat doeriat,
aran deukeut ditinggalkeun,
gedogan gila koe pasti,
aran anggo djalma pasti,
gedogan djati malajoe,
tegalna djati kabongan,
migaleger pinang rende,
barera tjatang ti peuntas,
limboehanna djati woeloeng,
hapitna kamoening rarang,
tali tjaor kenoer tjina,
toropong tamiang sono,
panjetjepan tjemeng koening,
tjaorna galeuh tjandana,
nja ngagoeroeh ninggang padoeng,
nja gilang ninggang barera,
tes korompjang toropongna,
ninggang kana panjetjepan,
panjetjepan tjemeng koening,
tes kereleng tetengerna,
tetenger djalma goelandjeng,
nitis di poë raspati,
ngandegna di boelan kanem,
medalna di malem soekla,
oerat kentjeng dina tarang,
pangaroeh djelema bedang,
keur pada ngagentrang ninoen.

Ninoen tetelakeun:

ditilik ti kaänggangan,
noe nanggoeng poelang nogentjang,
noe lengoh toeloej ngaboedjang,
ngeureunkeun anoe sakeudeung,
ngabebeda noe keur geura,

III
7
 
[ 156 ]

poelang poë toeloej mondok,
noe ngaliwat kaëdanan,
lain bogoh koe tinoenna,
bogoh koe tingkah noe ninoen,
taja batan Poerba rarang,
pangaroeh djalma noe bedang.

Djongdjon noe keur ninoen, golepak toropong, montjor ka kolong bale.

"Adi, pangnjokotkeun toropong?"

"Teteh keur katanggoengan."

Ka adi sidji deui: „adi pangnjokotkeun toropong?"

"Teteh keur katanggoengan."

Ka Poerba leuih, noe deukeut ka poetri boengsoe; "adi, pangnjokotkeun toropong."

Si-adi nja kitoe keneh. Sadjoetna boga boedjang loetoeng nja ninoen soengkan ninggalkeun, perbawana bogoh bae.

"Kapan, teteh, kita boga boedjang loetoeng, mangkala boedjang titaheun."

"Oetoen, kami pangnjokotkeun toropong di kolong bale."

Loetoeng boes ka kolong bale, top toropong tamiang sono dideuleu oelang- ileung, dibebekkeun sewik, djadi lima; sor disodorkeun, geledeg loempat tapakoer dina boeroean.

"Djoerig, loetoeng teh, teu beunang diandelkeun, toropong keur bogoh-bogoh dibebekkeun."

Leok, tjai panjetjepan dibahekeun, gila koe pamali. "Haram, teteh, haram" lahir, "bisina diletak meong matak kokoloteun."

Matak hamboer pakan tinoen,
ngalologan tali tjaor,
lampoeroek tinoen diteundeun,
top barera djeung rorogan,
samping djangkoeng geloeng djoetjoeng,
gebroeg anoe toetoeroeboen,
ditoemboean koe djamentroet,
geuleuheun ka boedjang loetoeng.

"Adi, tjoeang noeloengan ka si-teteh ngalologan tali tjaor!"

Top rorogan djeung barera katoet djeung tjaorna pisan.

Geledeg si-djompong ti pawon ngerid hihid, koendang doelang, remeh moentang dina awak siga rek laladjo ngakeul.

"Pangoeloe tandang hajangeun bantoean ngepoeng loetoeng, mebekkeun toropong."

Tjeblok ditotog koe barera; deg ka tonggong si-djompong; loetoeng loempat, raga pangawakan ditotogan.

"Teteh, pangampoera, kita kabareraän."

Tjeblok ditotog deui, deg ka poendoekna si-djompong pisan; loetoeng loentjat. [ 157 ]„Teteh, pangampoera, kita kabareraān."

„Patjoean kepoeng, rontokan bae."

Dirontok, molopos; dipeupeh, njeuleujeuh; didjedjek, ngelejep. Ditampiling ngeumbing kana tjeuli, kana pingping, seredet dikoēt soesoena.

„Djoerig, teu soeka teuing, koe mas kabeureuh Indradjaja tatjan ditjabak, nja dagangan sakitan, dagangan noe tebeh loehoer."

„Mas kabeureuh, kami arek amit siram, dagangan dikoēt loetoeng, geura podaran."

„Emas kabene, mangke dipodaran koe dewek."

Prak angkat noe rek mandi.

Djoeg ka djamban larangan paramodjang noe genepan, seg bolenang ditaradjang, papakean noe genepan ditareundeun pipir kopo tjondong ngaloehoeran ka tampian noe sariram poetri noe genepan katoedjoeh djompong.

Djongdjon noe keur siram, keur meudjeuh ngeureunan palaj.

XI.

Ngoesik-ngoesik anoe tjalik,
ngobah-ngobah noe keur tapa.

Tjatoerkeun Sanghjang loetoeng.

Katjatoerkeun Sanghjang loetoeng,
rek noetoerkeun anoe siram,
ngaran: 'loetoeng keur moendoengan,'
tatjan ngamoek ditinggalkeun,
rek ngoelinting ka noe galing,
leledag tamba hareudang,
tamba keueung toenggoe imah.

Djoet toeroen.

Katjatjang kolear angkat,
leumpangna doemontja-dontja,
boentoet emas ditjentangkeun,
nja hoeroeng sariga lajoeng,
nja herang sariga bentang.

Doeg ka djamban larangan, kilang kitoe teu katembong, ngadoekeun keneh pangawasa.

Top pakean ditjokot genep katoedjoeh si-djompong, serelek dibawa naek ka loehoer kopo tjondong raweuj di oenggal dahanan.

Ngaboerahroh loetoeng loehoereun teu kanjahoan, koeroeng koe mendoeng lajoengna, hiliwir anginna leutik ninggang ka noe keur sariram.

„Teteh djompong, sok tiïs teuing, tjokot papakean oerang."

Ret njoreang ka darat, teu aja. „Oerang mendi anoe hiri, oerang mana noe tjoelika njokot papakean oerang?" [ 158 ]„Teteh djompong, geura poelang ngala pakean." „Noe bodo dibobodo pisan, poelang hidji poelang kabeh, tarandjang hidji, tarandjang kabeh. Rampes moen djeung pangoeloe tandang mah."

Geus kitoe, loetoeng nembongkeun maneh raweuj samping oenggal dahan.

„Loetoeng sok tjotjorokot teuing, tarima koendang bawahan, kadieukeun pakean kami."

Henteu oenggoet kalinian, henteu gedag kaanginan.

Aran loetoeng ditjarek goreng.

Pok Poerba leuih noe deukeut ka poetri boengsoe ngaran aloes titindakna.

Noe opat noeroetkeun bae.

Djoeg samping diraragkeun. Prak noe mantjat, top samping ditjokot: noe patoet pada ditoengkoep, noe pantes pada ditekem, noe opat pada dikoekoeroedoeng.

Poerba rarang ngeueum keneh.

„Kadieukeun loetoeng, engke sia modar. Beuki keujangeun pisan."

Djoet toeroen, geledeg loempat poelang ti heula, boes ka padaleman, goeroedjag ka amben loenta ka tengah imah, koelinting ka randjang, ngadjengkang di lawang randjang ngadagoan modjang datang.

Tjatoerkeun noe di tjai.

Doeg samping ragrag, koe maneh tjat mantjat, top ditjokot djagorna geus soetji ari toengtoeng hidji deui pakean ditjokot loetoeng.

Geredeg noe laloempatan poetri anoe genepan katoedjoeh si-djompong sadjongdjonan.

Bloes ka padaleman, goeroedjag ka amben, loenta ka tengah imah, koelinting ka pipir randjang kasampak loetoeng ngadjengkang di lawang randjang.

„Loetoeng sok lanjap temen; kapan tadi di tjai lain loetoeng?"

„Lain loetoeng."

„Koemaha, tadi hideung ajeuna hideung, tadi boeloean, ajeuna boeloean."

„Lain loetoeng."

Djenengan gila koe pasti,
kai emas rangga pasang,
noe masang di lawang randjang,
ngadagoan modjang datang,
ngaherang gila koe hajang,
ning eta henteu kasorang.

„Djoerig loetoeng, gagabah teuing."

Top barera djeung tjaorna ka gigirna kana kasang, ka loehoer kana reregan, dibeubeutkeun wakwok djiga kiramaj.

Geledeg loetoeng noe loempat patinggalemprang bala petjahna; leboer diamoek.

Loetoeng doeg ka pipir hawoe; ditotog, hawoena leboer.

Loetoeng loentjat, tjel kana seuneu teu woedoe ngamoek, diamoek-amoek teu pati djenoek, roeroentoek koekoek, rarapen kele. [ 159 ]Goeroedjag ka amben, ditotog tjel ka taneuh teu woedoe ngamoek, djapati sawidak, soang sawidak dibebekkeun wakwok patingkoreak, koelinting djiga garing moen koe seuneu perang djiga dipanggang lain perang koe dipanggang, kagaris koe wawajangan, kilang kitoe teu kaharti, rek ditempoehkeun.

„Mama Lengser, salagi teu boga andjen, saketi manana tiïs nja ati."

Hol Lengser ti kolong bale, njoehoenkeun bedja tjektjok tjewoh: „na, aja naon?"

„Toropong dibebekkeun loetoeng, teu soeka teu halal, salagi teu boga andjen, saketi manana tiïs nja ati."

„Koering mah soekoe samboeng leumpang, leungeun samboeng njokot, tarima darma loemampah, rek ditempoehkeun saketi, koemawani sajoeta koe boga, teu njaho di abot entengna sakepeng harga dalem."

Ngabedoed eleh wangsoelan.

„Arina kitoe," tjek Poerba rarang: „oelah ditempoehkeun, geura anteurkeun ka pipir goenoeng, gorengna saroepa, hideungna saroea, sailon sagodos, sabobot sapihanean, ka tjai djadi saleuwi, ka darat djadi salebak, ingkeun kade anak loetoeng."

„Mama Lengser, geura anteurkeun loetoeng ka goenoeng."

„Noen, pangoeloe tandang, soemoehoen darma panjaoer."

Tjedok njembah, djoet toeroen.

„Hajoe, Sanghjang loetoeng, tjoeang miang."

Inggoek; noetoerkeun.

Karang lemboer hade deui.

Katjatjang Lengser noe angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag nja ngalangkah,
kodomong loetoeng pandeuri,
leumpangna doemontja-dontja,
boentoet bereleng kantjana,
hoeroengna sariga lajoeng,
herangna sariga bentang,
boentoet emas ditjentangkeun,
metoe lawang mandjing lawang,
metoe di lawang pingpitoe,
datang ka lawang pingsanga,
dangdeung ka paseban ageung,
doeg datang ka aloen-aloen,
parapas ka lawang loear,
medal di lawang saketeng,
koelantoeng toeroet loeloeroeng,
loeloeroeng tiloe ngabandoeng,
kaopat noe keur didjaga,
kalima heuleut-heuleutan.

[ 160 ]Djoeg ka pipir goenoeng.

"Da halal amit ngadeuheusan.”

"Bagea noe tijalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

Poerba sari ti peuting boesik koe angin,</poem>

ti isoek tjiproek koe iboen,
ti beurang gede koe poë,
kilang kitoe woewoeh panggoeh,
pangweroehna Poerba sari.

Toeloej nanja ka Mama Lengser: „na tjoendoek dipioetoes, na datang dipiwarang, na kitoe niat sorangan? Soemangga pikeursaeun, rampes pikonokeun.”

„Tjoendoek dipioetoes, datang dipiwarang, ngemban pangandika ti nagara, miwah ka toewang karsa, dipiwarang ngahatoerkeun loetoeng.”

„He, Mama Lengser, koetan teteh aja keneh adilna? Kadjeun loetoeng, tamba soewoeng; kadjeun hideung, tamba keueung noe di leuweung, kadjeun goreng, tamba djempe noe sorangan, teteh sakitoe ge aja keneh sisiramna ratoe emas.”

„Ari geus karoean katampa, djisim koering amit moendoer, teu lambat ngadeuheusan.”

„Mama Lengser, tjoendoek nganggoer sindang palaj teu kahatoeranan lemareun, Mama, pangampoera bae da kami tinggara keneh.”

„»”elah pandjang dipisaoer; kateda, katarimakeun.”

Djoet toeroen kaloentjieur pinggir moelih.

Teu dibilang di djalanna, dibilang datangna bae.

Doeg ka nagara, bloes ka padaleman, kasampak kasondong aja.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Lengser lila temen, aja bedja rantjana naon?”

„Noen, goesti, taja bedja rantjana, di noe hidji teu katampi, di noe doea teu katampa, di noe tiloe teu kalakoe, kaopat, kalima ditampel, noe genep nja kitoe keneh.”

„Lengser, tadi ge di noe hidji mo katampi, di noe doea mo katampa manana bagdja, di noe tiloe mo kalaloe lila manana panoedjoe, di noe opat, noe lima, noe genep mo madep lila manana hidep.”

„Kiwari di djalma sisi, si-indji Poerba sari.”

Lengser toetas hatoeran, keur meudjeuh ngeureunan palaj.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.
XII.

Tjatoerkeun di pipir goenoeng. [ 161 ]Poerba sari tjalik dina paloepoeh sabebek, dina hateup sadjadjalon; repet ing Sanghjang loetoeng.

Toeloej inget ka sirepna; ditioepkeun ka Poerba sari; lenggoet noendoetan kataradjang sirep loetoeng.

„Oetoen, tjoeang sare djeung si-teteh, si-teteh banget toendoehna.”

„Owah, soehoenan pamadjikan, loetoeng mah tara sare djeung manoesa, bisi geuleuheun.”

Bloeg noe sare dina paloepoeh sabebek dina hateup sadjadjalon.

„Koetan soehoenan pamadjikan nalangsa temen, dihin pinasti anjar pinanggih, awak ing rek neneda ka soenan amboe, ka amboe neda pitoeah, ka rama neda sapaat misalin meungpeung sare.”

Raksoekan digedogkeun, braj baranang sariga bentang, djiga kilat eukeur datang kakasepan Goeroe Minda Kahjangan. Sok raksoekan diteundeun dina tjatang ageung tatjan kagoengan padaleman; djengkekeun amboe soekoe ti katoehoe, ditimbang koe ti kentja, parapas sewoeng njolekat keris malela.

Anggona ti babaheula,
enja soteh hanteu tembong,
kapindingan koe raksoekan,
Goeroe Minda Kahjangan,
anak dewata tjikalna,
titisan Goeroe Hjang Toenggal,
seuweu batara di langit,
kandegan Loetoeng kasaroeng,
ngagimboeng-gimboeng di manggoeng,
loementang di awang-awang,
njoekang kana kilat pandjang,
parapas ka mega bodas,
koelinting ka mega miring,
datang kana mega malang,
tjoendoek kana mega noenggal,
datang kana mega kajas,
patapaan noe ngabeureum,
mangka estoe pangbeureuman,
moen estoe djadi pangbeureum,
sangratoe djadi soegihna,
henteu mah euweuheun teuing,
djadi kasoegihanana,
loenta kana ,tjinta reang,’
patapaan dalang tandak,
lain satandak-tandakna,
moen ampoeh ngagoenoeng soewoeng,
henteu mah euweuheun teuing,

[ 162 ]

djadi kasoegihanana,
soemping kana ,tjinta wengi,’
patapaäan nji paradji,
lain sapradji-paradjina,
moen estoe noeloeng ngadjoeroe,
mana datang ka noe pasti,
henteu mah euweuheun teuing,
tjoendoek kana ,tjinta lagoe,’
patapaän djoeroe pantoen,
lamoen estoe pangmantoenna,
djadi pangmantoen sangratoe,
djadi kasoegihanana,
pangandika Goeroe Minda,
moen ampoeh Loetoeng kasaroeng,
henteu mah euweuheun teuing,
ka angin sada karinding,
ka hoedjan sada galendang,
kana goegoer sada angkloeng,
ka gelap sada trawangsa,
awak ampoel tanding kapoek,
hampang kawas tanding koembang,
awak dalit djeung noe leutik,
awak saroea noe lemboet,
saraga reudjeung dewata,
kaoela Nji Anta maja,
sategesna Anta boekti,
Pohatji Sang seda tapa.

Doeg ka sawargaloka manggoeng alam padang, poë pandjang, soenan amboe kasampak kasondong aja, roj mando, parapat njembah.

„Si-oetoen soemping naon poéna naon boelanna?”

Tjoendoek ka Soenan amboe: „datang di boelan soebaja.” „Soemangga pikersaeun, rampes geura pikonokeun, koemaha saoer ka amboe?”

„Owah, Soenan amboe, mana peuting koemareumbing, mana poëk soemeleket ngoembara geus meunang, pada-pada meunang goreng pisan, hideung batan wadah teuleum, bangban awak batan gagak, ngan sorotna henteu leungit sasemoe keneh djeung amboe.”

„Oetoen, oelah redjag koe hideungna, koe gorengna; hideung soteh poepoe- lasan nja eta saroepa djeung amboe teh.”

„Soenan amboe, nanging eta nalangsa pisan, paloepoeh ngan sabebek, hateup ngan sadjadjalon, ka amboe neda pitoeah ka rama neda sapaät, rek misalin, karoenja nalangsa pisan.”

„Oetoen, oelah redjag, oelah reuas, meureun banda djenoek diwoewoehan, [ 163 ]banda rea ditambahan, amboe mah ngagadoeh bae. Geura balik meungpeung peuting, si-indji bisi kasampak geus njaring; geura poelang mangka gantjang, si-indji bisi kasampak geus hoedang. Oelah waka tembong kasep, tatjan datang ka poëna; bisi teu hedjo lalakon, bisi teu rambaj tjarita, tatjan datang ka poëna.”

„Soemoehoen, Soenan amboe, ngatoeran amit.”

Tjedok njembah, parapas geus ngoengkoelan ngalanggoekan.

Doeg ka boeana pantjatengah, imbit milang bentang, kasampak sare keneh, dianggo raksoekan, djanggelek miroepa loetoeng; keur meudjeuh ngeureunan palaj.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

XIII.

Ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,
ngobah-ngobah noe keur tapa,
neda agoeng nja paraloen,
neda pandjang pangampoera.

Tjatoerkeun Soenan amboe.

„Boedjangga seda, Boedjangga sakti, Gan Oetoen tas soemping. Geura djoengdjoengkeun, seuweu ratoe, geura djajak seuweu radja. Boedjangga seda balena, Boedjangga sakti imahna, dewata anoe ngeujeuban, mangka aja samaktana, mangka agreng batan di nagara sarta tampianana.”

Boedjangga leuih pangawasana: ti loehoer lemboet datang ka handap badag, sadjiad sakersana katoeroetan, saketjapna tjatjap bae.

Tes, djleg ngadjenggleng bale kantjana hateup genteng omas, sisi ngajapak imahna pisan:

dirandjangan lima toendan,
dikasoeran toedjoeh toempang,
ngalembreh kasang tjindena,
goegoeling mandjati Keling,
kasoerna lalambe soetra,
simboetna sindoer Banggala,
ditoempalan koe peremas,
lalamak paramedani,
loeloehoer halimoerentang,
hoeroeng koe parada pasoeng,
herang koe parada kompjang,
loeloehoer djeung rereganna,
koemiriling koemirintjing,

[ 164 ]

njabetan kana goegoeling,
katinggang koe angin leutik,
tes ngaherang tes korompjang,
njabetan djaregdjeg randjang,
papadjangan hoeroeng herang,
pamisalin Agan loetoeng.

Tjatoerkeun Sanghjang loetoeng.

Poetri boengsoe dipangkoe, diëbogkeun kana kasoer toedjoeh toempang, disimboetan simboetna sindoer Banggala, ditoempalan koe peremas matak tibra ka noe sare.

Djoet toeroen Sanghjang loetoeng, tapakoer dina bale kantjana.

XIV.

Tjatoerkeun di manggoeng.

Tjaritakeun di kahjangan Soenan amboe karek njipta tampian.

Tjoeroeloek noe tjipanonan,
disoesoetan mangka saat,
batan saat anggoer djenoek,
mani ngaloekrah ragragan,
ka boeana pantjatengah,
ngalombang gila koe herang,
pantjoeran tambaga soekra,
tandena djolang kantjana,
panimba oendem salaka,
ngempoer tatandjoeranana,
katjapiring kajoe poering,
siang kekembanganana,
kembang ratna aer mala,
kembang ratna parawangi,
kembang ratna joji banten,
tatadjoeran di tampian,
nagasari djeung malati,
djiadan Boedjangga sakti,
njondongan lis Poerba sari,
kembang ganda aer mala,
kembang ganda parawangi,
kembang saka kembang wera,
kembang widjaja koesoema,
tatadjoeran di tampian,
tjiptana paradewata,
mana tampian oetama.

Tjatoerkeun di boeana pantjatengah.

Braj beurang: [ 165 ]

koelisik poetri noe oesik,
kodjengkang poetri noe hoedang,
njoreang ka loehoer ngempoer,
njoreang ka handap herang.

reg ngahoeleng, ngadaweung, ngaboentel tineung.

„Aeh, sangli ka mendi, awak ing sasar ka mana, ari kalamari paloepoeh sabebek, hateup sadjadjalon; tas sare kasampak papadjangan hoeroeng herang.”

Djoet toeroen kana taradjoe,
dilintjaran koe tjandana,
dihambalan koe tambaga,
tjiptana Kai Boedjangga,
waktoe misalin ti peuting,
nintjak kana tatapakan,
batoe benteng toeloej dengdek,
njoreang ka boedjang loetoeng.

„Oetoen, oerang sangli ka mendi, oerang sasar ka mana, sabab ka mana sok sieun teuing, oetoen, asoep siloeman sileman.”

„Owah, soehoenan pamadjikan, oelah redjag, oelah reuas, loemajan pamisalin boedjang loetoeng.”

„Oetoen, pamisalin ti mana? Sok sieun dipangmalingkeun.”

„Soehoenan pamadjikan, tadi ti peuting beunang, ngimpi boeroeh naek.”

Braj manahna Poerba sari.

XV.

Tjatoerkeun di manggoeng, tjarita di kahjangan.

Soenan amboe, teroes panon batan katja, katingali salawasna, ditoeroenan pangawasa mangka taradjang panas hareudang ambrih tampian tereh kanjahoan.

XVI

Tjatoerkeun di boeana pantjatengah.

„Sok panas hareudang teuing; oetoen, di mana aja tampian?”

„Rampes, pariksakeun tonggoheun imah oerang, lamoen kapanggih aja kingkilaning bagdjana, lamoen teu kapanggih kingkila lain bagdjana, pangembohan ti peuting waktoe ngimpi misalin ti peuting.”

„Oetoen, geura toenggoe imah, teteh rek amit siram.”

„Soehoenan pamadjikan, ngan sakitoe, loetoeng mah kabisana toenggoe imah.

Djoet toeroen ti bale kantjana.

Katjatjang kolear angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag nja ngalangkah,

[ 166 ]

toemandang taja noe roang,
roang soteh roang badak,
oendoer soteh djeung noe lemboet,
leumpang soteh djeung noe lendjang,
angkat karo wawajangan,
pakean djiga kiramaj,
karembong sabaroeboetan,
salindang sariga rambang,
angkatna djadjaloentjatan,
tetenger eukeur napaän,
ti hoeloe sasemet boedjal,
ti handap sasemet toeöer,
angkat dikoempal-kempolkeun,
ngeupatkeun koedjangna boentoeng,
boga boedjang hidji loetoeng,
malingping dipinding-pinding.

Tjat nandjak di oendak-oendakan, hajang tereh ka daratna.

Djoet ka djamban:

,sok sieun teuing pamali,
agreng batan di nagara,
aja saparabot goesti,
sok sieun teuing pamali,
teu siram gila hareudang,
moen siram bisi pamali.'

Malikan koe andjeun bae:

,goesti siram koering miloe,
da taja deui tampian.’

Prak toeloej noe siram panimba oendem salaka, ngaroeroe saboekoe-boekoe; braj tembong kageulisanana.

Kembang semboeng ting goeloesoer,
kalakaj pating baranang,
nja keusik djiga aroesik,
nja batoe djiga arimoet,
kahibaran poetri mandi,
nja kikis-kikis ngalelir,
nja kandang-kandang harerang,
panon poë mah kamandjon,
kahibaran poetri siram,
geulis ti nitis ngadjadi,
djalma lendjang ti pangpangna,
teroes ka langit pingpitoe,
parat ka tjongkar boeana,

[ 167 ]

komara mantjoer ka manggoeng,
kageulisan Poerba sari.

Tjatjap ing siram:

katjatjang kolear angkat,
keupatna aloeng ka manggoeng,
tanding bintjaroeng diadoe,
keupatna heulang ka handap,
tanding kembang sempoer ragrag,
gebroej baranang koe lenggang,
keupatna Nji Poerba sari.

Djoeg ka padaleman, kasampak loetoeng ngabengkoeng.

„Soehoenan pamadjikan, koemaha, nimoe tampian?”

„Oetoen, nimoe pisan, nanging eta aja saparabot goesti, dianggo bae nja tarima goesti siram koering miloe da taja deui tampian.”

„Oelah salah nja tarima bae, rampes, soehoenan pamadjikan, pariksakeun ka nagara emas di bale kantjana.”

„Oetoen, kandaga ti mana?”

„Pangembohan ngimpi ngala boeroeh bae; soehoenan pamadjikan leumpang eta datang.”

Prak tjalik kana bale kantjana, poetri boengsoe braj kandaga diboeka, pakean sarwa Keling, aja saparabot goesti.

„Oetoen, sok sieun teuing, pamali.”

„Mo pamali da djaoeh ti goesti, mo mapada da djaoeh ka radja, da anggang ti nagara.”

Prak noe disalin.

Sampingna teu pati apik,
disampingan soetra koening,
karembong tjinde Kadiri,
njalindang koe tjinde kembang,
kongkojang koe soetra ganggong,
ka loehoer kana geloengna,
ka handap kana sindjangna;
oelah rek digeloeng djoetjoeng,
bisi padjar indoeng-indoeng,
matak kasorang noe agoeng,
matak larangan ka lisoeng,
matak sieun prapohatji,
bisi padjah tatambangan,
matak 'sarang di noe wenang;
oelah rek digeloeng konde,
matak djore di noe gede,
salin deui na geloengna,

[ 168 ]

geloeng lelep geloeng tikel,
dihapitna koe djaridji,
ditikelkeun koe dampalna,
ser djoetjoeng direunteut deui,
loeloemat salawe lambar,
dipinggiran koe malati,
didjadjaran koe tjampaka,
djedjel koe inten baroentet,
disoebal saloempit pandan,
dipoentjakan mas kalangan,
miring batan goenoeng soengging,
tjepak nongnong koleangkak,
niroe geloeng widadari,
kabogoh parapohatji,
teu ngewa anggo di goesti,
koering kari moeri-moeri,
bala kari nitah bae,
sakabeh pada dianggo,
pada diadjaran kabeh,
sakala poë harita;
sakalangkoeng tapok geloeng,
pameunteu sarangka beuheung,
salobong sarangka tonggong,
saloebang sarangka awak,
saloempir sarangka bitis,
siger boengker djeung pamener,
djoemepret benten kantjana,
benten emas ditarikan,
dimangka tarik sisina,
dimangka ngendoe djoeroena,
dimangka ngendong di tengah,
ditimbangan soeeng bapang,
dikarantjang dikarantjeng,
eureuj mani kikitjeupan,
intena djiga arimoet,
barabaj koenang-koenangan,
noe bentjoet dina harigoe.
djiga tjengkir klapagading,
katoeroeban koe sintoengna,
djoedjoeloek masangan waroe,
hoeloe soesoe noendjoek iroeng,
tetenger djadian agoeng,

[ 169 ]

hade keur pawarang ratoe,
ditilik gila koe loetjoe,
taja batan poetri boengsoe,
koneng henteu hideung henteu,
sedeng ngetjemeng-ngetjemeng,
ret boenter ngelemeng koneng,
nja koneng ngala ka teteh,
nja lendjang ngala ka biang,
nja moblong ngala ka embok,
nja geulis ngala ka nini,
nja djangkoeng ngala ka indoeng,
bisa njalindoengkeun semoe,
bisa njoesoempingkeun boedi,
mere semoe djiga imoet,
mere boedi djiga seuri,
manana parek redjeki,
pangaroeh noe rampes boedi.

Prak noe rek ngalemar, mimiti kagoengan lemareun meunang njokot ti kandaga pamahanan paradewata.

Prak noe rek ngalemar tea:

njigit gantal meuweung keusal,
dibeuweung dieumeuj-eumeuj,
ditjapek dionjang-anjeng,
tamba tjaheum nanajeumeun,
diperih amis tjaina,
barabaj koenang-koenangan,
wadja kasipoeh koe lemar,
ngalembereh kana lambe,
tjilemar ombak-ombakan,
kasipoeh nja karatoean,
kalandja nja kamenakan,
imoetna adjen sasoekoe,
seurina adjen satali,
di djero satali deui,
eukeur imoet dadajeuhan,
ratoena eukeur ngalemar.

Sanghjang loetoeng ngalingling, ngadeuleu maling.

,Soehoenan pamadjikan geulis temen, lamoen eta keur teu pada tapa, hajang ajeuna bae.’

,Beurat beunghar rea banda,
kari tatjan boga bala.’

[ 170 ]

Tjag:

teundeun di handelum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

XVII.

Tjatoerkeun di nagara.

Noe goreng boedi ti leutik,
goreng toeah ti boeboedak,
pangaroeh djalma noe bedang,
taja batan Poerba rarang.

„Mama Lengser, geura ngalasan keueus djantoeng kole beres.”

Tjedok njembah.

Djoeg ka geusan ngalasan njoreang geus ngempoer di pipir goenoeng; teu toeloes ngalasan.

Djoeg balik ka nagara, gebloes ka padaleman,

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah, tarima keur koemawoela.

„Mama Lengser,” Poerba rarang orokaja gantjang nanja, „aja kabeubeunangan?”

„soemoehoen, teu meunang, moen teu meunang, aja noe ngempoer di pipir goenoeng.”

„Soegan tangkoerak Poerba sari, beunghar soegih ti mendi, beunghar ti mana da teu boga bala, rembes miïs geus kotjapan jen Poerba sari beunghar. Sok keujang teuing jen Poerba sari beunghar. Geura ka pipir goenoeng pariksakeun, soegan enja beunghar perih pati torta gawe pendet parakan Baranang siang leuwi sipatahoenan salawe deupa djerona, mangka saät. Moen teu saat poë ieu djeung peuting, mengke teukteuk beuheung tilas adegan katoet djeung boedjangna loetoeng, bari soegan dianak loetoeng Poerba sari.”

„Noen, pangoeloe tandang, soemoehoen, darma panjaoer, tarima dipangandika, djisim koering rek amit moendoer, teu lambat ngadeuheusan.

Tjedok njembah.

Indit bari ngoesap birit,
angkat bari ngoesap sindjang,
bisi wirang keur ngawoela,
djoet toeroen kolear angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag nja ngalangkah,
metoe lawang mandjing lawang,
teu dibilang di djalana,
dibilang datangna bae.

Djoeg ka pipir goenoeng, baheula mah leuweung loeang liwoeng, ajeuna agreng [ 171 ]batan nagara, pasini dadaoelatan da baheula beh dinja sieun asoep siloeman sileman, gebloes katoetoegeun padaleman.

„Da halal noen, rek amit ngadeuheusan, noe kagoengan padaleman aja tjalik?”

„Aeh koetan, Mama Lengser, rampes tjalik, oelah toemamoe nja ladjoe, oelah tanggeung nja tineung, rinoe djangkoeng dahan pandjang, oelah kami djalma gagade didatangan ti panggede.”

Mingpiringan aran geus beunghar.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah tarima keur koemawoela.

„Mama Lengser, oelah tjalik di sisi teuing, bisi tidjengkang keur ngandjang.”

Ser Lengser nengahkeun; aran si-Lengser adjriheun, aran Poerba sari beunghar.

Gorondjang lalantjang emas,
lalantjang bokor kantjana,
di loehoer nimoe sapoeloeh,
di handap nimoe salapan,
di tengah nimoe salawe,
beunang ngahoeloe mikoengkeun,
beunang nonggong njiloewahkeun,
sereleng noe diadoekkeun,
kalapa oedoeh batokna.

„Noen, Mama, mangga ngalemar.”

„Koemaha diseupahna?”

Koetoe simboet koear sindjang,
tarima darma pangasih,
diperih amis tjaina,
sanggeus kitoe diboendjalkeun,
bisi kapetolan njaoer,
bisi wirang keur ngawoela.

Poerba sari orokaja gantjang nanja: „reuas pabaoer djeung sieun, na tjoendoek dipioetoes, na datang dipiwarang, na niat kita sorangan? Soemangga, noen, rampes pikonokeun.”

„Tjoendoek dipioetoes, datang dipiwarang, ngemban pangandika ti nagara, ratoe emas, diperih pati torta gawe mendet parakan Baranang siang leuwi Sipatahoenan salawe deupa djerona, mangka saat poë ieu djeung peuting mengke, lamoen teu saat, teukteuk beuheung tilas adegan djeung boedjangna loetoeng, tjek timbalan.”

Poerba sari regoek tjeurik dengdek ka boedjangna loetoeng.

„Oetoen, geura oendoer meungpeung djaoeh, leumpang meungpeung anggang neangan goenoeng noe singkoer, mandala singkah. Sakiwari keur mimiti, Oetoen, koemaha piwangsoelaneun, ari sanggoep bisi loepoet, ari tanggoh bisi poös.”

„Owah, soehoenan pamadjikan, oelah redjag teuing, haliwoe koe sakitoe.” Bisaning nitah, bisaning anoe dititah.

Geura pok rampesan bae.” [ 172 ]„Mama Lengser, hatoerkeun ka djeneng si-teteh dirampesan koe boedjang loetoeng, rampes soteh rampes bae, rampes soteh padoe beres, rampes padoe wekasan roepa henteuna koemaha bagdja.”

Mama Lengser ngatoeran amit.

Tjedok njembah, djoet toeroen.

Djoeg balik ka nagara, gebloes ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser, koemaha bedjana, Poerba sari beunghar?”

„Soemoehoen, beunghar pisan.”

„Djoerig, sok keujang teuing.”

„Beunghar meuëusan kadang kala henteu pisan, kapelengkok nja wangsoelan, asa beunghar goemati henteu.”

„Henteu dianak loetoeng?”

„Manggih soteh loetoeng di djalan, teu njaho anak teu njaho lain.”

„Toeloes kateukteuk beuheungna?”

„Toeloes.”

„Soekoer, Lengser.”

Tjatjap hatoeran; keur meudjeuh ngeureunan palaj.

XVIII.

Tjatoerkeun di goenoeng.

Ras katimbalan; tjeurik leutik sasakitan Poerba sari.

Repet ing loetoeng inget ka sirepna, diaos, ditioepkeun, lenggoet noendoetan kataradjang sirep loetoeng.

„Oetoen, tjoeang sare djeung si-teteh, si-teteh banget toendoehna.”

„Owah, soehoenan pamadjikan, loetoeng mah nalipak maneh, tara sare djeung manoesa, bisi geuleuheun.”

Boeg noe sare dina kasoer toedjoeh toempang; aran geus kagoengan padaleman, dihin pinasti anjar kapanggih, rek ladjoe ka Soenan amboe, ka amboe neda pitoeah, ka rama neda sapaät, meungpeung sare.”

Braj digedogkeun raksoekan:

barabaj tembong kasepna,
kakasepan Goeroe Minda,
sok ditoenda raksoekanna,
dina nagasari dampit.

Djengkekeun amboe soekoe ti katoehoe, ditimbang koe ti kentja, parapas sewoeng.

Djoeg ka sawarga loka manggoeng alam padang poë pandjang, Soenan amboe kasampak kasondong aja, roj mando, parapas njembah.

„Oetoen, sinarieun sinanteneun, si-Oetoen soemping tjoendoek di boelan danoe, datang di boelan soebaja, soemangga pikersaeun naon, rampes pikonokeun, [ 173 ]koemaha saoer ka amboe?”

„Owah, Soenan amboe, mana peuting koemareumbing, mana poëk soemaleket, soehoenan pamadjikan kasoesahan, diperih pati torta gawe mendet parakan Baranang siang leuwi Sipatahoenan mangka saat, poë tadi djeung peuting ieu. Lamoen teu saat, teukteuk beuheung tilas, adegan, pok madjar, djeung ka awak ing.”

„Oetoen, eta lain doeöeman kami, doeöeman Kai Boedjangga.”

Parapas djoeg ka Kai Boedjangga saloehoereun dewata.

Kai Boedjangga kasampak keur neupa; terengteng moeatkeun sembah.

„Oetoen, koemaha pikersaeun, noen, rampes pikonokeun.”

„Soehoenan pamadjikan diperih pati torta gawe mendet parakan Baranang siang. Moen teu saat peuting ieu, diteukteuk beuheung tilas adegan, pok madjar, djeung ka awak ing.”

„Oetoen, sakitoe mah hampang, geura balik meungpeung peuting, si-indji bisi kasampak geus njaring, geura poelang mangka gantjang, si-indji bisi kasampak geus hoedang. Oelah waka tembong kasep, tatjan datang ka poëna, bisi teu hedjo lalakon rambaj tjarita, tatjan datang ka mangsana.”

Ngatoeran amit, tjedok njembah.

Parapas djoeg ka boeana pantjatengah. Kasampak poetri keur sare keneh, dianggo raksoekanana; djanggelek miroepa loetoeng, les leungit roepa manoesa; tapakoer di bale kantjana.

XIX.

Tjatoerkeun di manggoeng, tjarita di kahjangan.

Tjek Soenan amboe: „Boedjangga seda, Boedjangga sakti, geura djoengdjoengkeun seuweu ratoe, geura djajak seuweu radja, geura pangmendetkeun parakan Baranang siang mangka saat. Geus saat, geura lintaran, laoekna geura pindahkeun ka taman si-indji, kana djolang kantjana. Ari geus lintar, rengkep oelah dibawa deui, toenda dina tihang tengah solendangkeun si-Oetoen. Ari geus beurang, ngaliwat ka noe marak, nembongkeun kakasepan ngagoda oerang nagara, kalo kantjana toenda dina birit parakan tjokoteun si-Oetoen ari ngaliwat ka parakan.”

Boedjangga opat djoeg ka hoeloe parakan. Liangna dipendet parakan sabeulah koe tiloean, kawilang djedjerih ngahareupan goenoeng hidji sewang, pasir hidji sewang. Goenoeng roentoeh, tjadas rempag, batoe reok patingporolok, kalakaj patingbarangsaj patinggelendoeng batoena.

Pendet loeloegoening Boedjangga sabeulah deui leuih pangawasa; goenoeng roeboeh tjadas rempag, pasampeur-sampeur arek saät.

Laoekna teu pati djenoek,
rogok batan toenggoel kaso,
ranghap batan kembang dadap,
djadi hidji tinggedebeg,

[ 174 ]

kantjra belang sisit emas,
sapasang beberkeun rengkep,
Ki Boedjangga teroes rengkep,
leuih rengkep koerang leuwi,
rengkepna batoe kantjana,
pinoeh ngoekoeh kadjoengdjoenan,
tinggalkeun iwak bangkeuang,
tjokoteun oerang nagara.

Top njokot kalo kantjana, dieusian laoek sahidji, ditoenda di birit parakan, tjokoteun si-Oetoen ari geus beurang bari ngaliwat, nembongkeun kakasepan bari ngagoda oerang nagara.

Terengteng laoek dibawaan nandjak ka tampian Poerba sari. Ketjeboer kana djolang kantjana kantjra belang sisit emas sapasang. Roep ditoeroeban koe sasakna, toeroeb taman panglokatan Boedjangga. Djoeg ka padaleman, Poerba sari kasampak keur sare keneh, rengkep sok ditoenda dina tihang tengah tjokoteun si-Oetoen.

Ari geus beurang, sor njampeur ka Loetoeng,

„Oetoen, kami rek balik, parakan geus saat, bisi aja pariksa si-indji, geus beurang.”

„Ka bisa wangsoelan.”

Ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,
ngobah-ngobah noe keur tapa,
neda pangampoera bae.

Tjek Kai Boedjangga: „oelah rea kasaoeran, wangsoelan, mo hedjo lalakonna, mo rambaj tjaritana, moen teu koe amboe, koe sadoeloerna.”

Terengteng balik ka sawarga loka manggoeng boemina sewang-sewangan, tas mangmarakkeun.

Raj beurang, koelisik poetri noe oesik, kodjengkang poetri noe hoedang, ngadaweung ngaboentel tineung.

„Soehoenan pamadjikan,” Sanghjang loetoeng orokaja gantjang nanja, „ngahoeleng djiga noe poendoeng."

„Oetoen, lain poendoeng, ras inget ka timbalan kamari ti nagara, teu bisa marak, Oetoen geura marak.”

„Kami ge teu bisa marak, ari marak saät koe didjampean.”

„Oetoen, koemaha djampena?

„Kieu djampena mah, djangdjawokan bae:

„datang ngandjang, rintjang poelang,
nja rintjang ti geusan ngandjang,
datang ka djalan los njimpang,
kasampak parakan saät,
dewata doeloeran aing.”

[ 175 ]„Oetoen, arina kitoe, si-teteh bae:

„patimoen patitis-titis,
kadjeun pati toedjoeh kali,
padoe diajoenan goesti,
ngadeudeul koe tjongo poloj,
leuleus liat oelah pegat.”

„Oetoen, geura toenggoe imah.”

„Soehoenan pamadjikan, ngan sakitoe, loetoeng mah kabisana toenggoe imah.” „Si-teteh rek miang ka parakan.”

Katjatjang kolear angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag nja ngalangkah,
angkat karo wawajangan,
bari matja djampe marak,
dipoedji sapandjang djalan,
sadjongdjongan saherojan.

Djoeg datang ka pamarakan, kasampak ngoletrak toehoer, toeloej moeloengan hoerang da taja laoekna. Hanteu ngambah ka leuwi Sipatahoenan sieuneun koe djeneng tetehna.

Keur meudjeuh ngeureunan palaj.

XX.

Tjatoerkeun di nagara.

Saoer Poerba rarang: „Mama Lengser, rek miheulaan, timbang kapiheulaan, nakol bende agoeng kaboejoetan.”

Tjedok njembah.

Geledeg loempat, top njokot poepoekoel, der nabeuh tangara.

Leut ti kidoel tjoekoel, ti kaler leber, ti koelon metonan, ti wetan daratangan, pada koempoel, sanagara kabeh.

„Mama Lengser, aja tangara naon?”

Tjek si-Lengser: „dikoempoelkeun tea mah, tjek timbalan tjoeang ka parakan; sanagara sakoer noe aja, koempoel kabeh, awewe, lalaki, pantjakaki sakabeh.”

Gebloes ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Noen, pangoeloe tandang, djisim koering dikersakeun ngoempoelkeun toeang koering, geus koempoel kabeh.”

„Lengser, mas kabeureuh Indradjaja hatoeran rek disalin.”

„Pangoeloe tandang, ngatoeran amit.”

Tjedok njembah, djoet toeroen.

Bloes ka pangtjalikan Indradjaja, dihatoeran. [ 176 ]Rigeug noe angkat, bloes ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Silah, pinoeh saroang beubeureuhna noe genepan.

Emas kabene, koemaha pikersaeun?”

„Mas kabeureuh, geura disalin, tjoeang miang ka parakan.”

Prak noe dangdan:

samping kasang salaboehan,
sabeulit kadoea toengtoeng,
andegna pateungteung bae,
saboek kasang goela klapa,
sabeulit kadoea toengtoeng,
iketna simboet dadara,
andegna pateungteung bae.
mengled anoe njoren doehoeng,
gogodong koe djeungdjing tjondong,
landean koe hoeloe lisoeng,
pamendak loeloempang tjopong,
sanggeus kitoe disorenkeun,
nja lengkeh-lengkeh bendeëun,
nja lendjang-lendjang kendangeun,
manggih genteng di beuheungna,
garempal awak badakeun,
djiga loemboeng keur dirioeng.

„Mama Lengser, geura rengkepkeun tjekelan sewang-sewangan.” Djoeg kaloearan: „batoer djenoek, bala rea, geura prasikepan njekelan se- wang-sewangan.”

„Rampes," hatoerkeun.

Gebloes ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mas kabeureuh, rampes miang.”

Rigeug Indradjaja noe angkat djeung bebene anoe genepan:

pajoeng tjawiri pandeuri,
pajoeng bawatna ti heula,
paseling toembakna biring,
ngagambang toembakna binang,
paseloek pedangna soedoek,
siger djantoeng ti katoehoe,
pendok tjapang tebeh kentja,
oendak deui lain deui,
noe geulis kana salipi,
noe denok kana epekna,

[ 177 ]

ipis ramping kana kendi,
radja peni sakabehna,
sabalana Indradjaja,
lalaki miwah awewe,
mantri djeung pantjakakina,
katoet djeung djompona pisan,
pandeuri toekang marakna,
broeg ngagimboeng braj ngabantaj,
pangaroeh ratoe loemoengsoer,
tangara radja loemampah,
sadjongdjongan saherojan.

Djoeg ka parakan, brak tjalik ka pasanggrahan ageung:

meunang dirioeng koe geloeng,
direndeng-rendeng koe tjangkeng,
noe lendjang pada ngadjadjar,
noe denok pada ngaronjok.

Ngadjedjeman marak Indradjaja di parakan Baranang siang.

Tjek si-Lengser: „toekang marak, geura arantjroeban.”

Ketjeboer pada ngantjroeban, noe ngodok, noe ngobengan, noe lintar, djeung noe njairan; kari iwak bangkeuang bae dipindahkeun tadi peuting.

„Bo, Lengser, saroepa-roepa da sakitoe eusina.”

Boer ka darat, geus rajap, boes ka emok Poerba rarang, tjelepit njapit kana biwirna, ngoedjoer tjetrok dikokos, epot sot deui.

„Adoeh, djoerig.”

„Mama Lengser, koemaha teuing.” „Ti tadi ge teu tjampoleh emok mangka rekep.” Ketjeboer ka tjai deui, ngantjang di parakan Baranang siang. Tjag teundeun; keur meudjeuh ngeureunan palaj.

XXI.

Tjatoerkeun di goenoeng.

Boedjang Emas Poerba sari, Sanghjang loetoeng, indit tina pangtjalikan bale kantjana. Top rengkep ti tihang tengah, prak disolendangkeun, nja oendoer djeung noe lemboet.

Angkat karo wawajangan,
keupat gambalang-gembeleng,
djiga banteng toemambarang,
aran anggo djalma wenang.

Djoeg ka parakan, tatjan koengsi nembongkeun maneh. Ngadoekeun keneh pangawasa, top njokot kalo kantjana dina birit parakan eusina laoek sahidji. Mantjat parakan Baranang siang tembong kasepna; pada madjar kasep sakabeh poetri ti nagara.

Tjek si-Lengser: „silah, djalma kasep.” [ 178 ]

Ret njoreang Poerba rarang,
bogona doea harideung,
noe lendjang hajang ngarendeng,
roemanggieungna nja tineung,
katembong noe kasep liwat,
etjet-etjet dina lintjar,
kasintoe dina mareme,
noe kasep tembong rek lintar,
disampeurkeun koe bebene,
nja kami djalma noe lendjang,
noen rampes geura sindangan,
nja kami djalma noe denok,
noen rampes geura pondokan,
nja kami djalma noe galing,
noen rampes geura peutingan,
ti mendi nja toeang boemi?”

„Koemaha kasambat toeang kakasih?”

„Goeriang Kaoeng loeöek.”

„Disoehoenkeun kalo kantjana?”

„Koedoe ka indang, da Goeriang.”

„Kapan kami indang teh.”

„Ieu mah lain indang.”

Goeroebjoeng noe matak bingoeng,
ketjrak-ketjrik kagirangkeun,
teu njoreang daoen tjeuli,
ai sore ngaroedjak hondje,
peuting ngaroedjak balingbing,
isoekna ngaroedjak djeroek,
beurang ngaroedjak katjambang.

Asa gedeboeg di soesoe,

asa gedebeg di angen,
katembong noe kasep liwat,
koelit beuteung toetoenggoelan,
Goeriang matak kabantjang,
matak kahoedang kawaja,
tadjam seukeut eukeur deukeut,
toedjoe doeriat keur datang,
ngageder nja pianakan,
tetenger hajang lakian,
nja rotjop asa djengkoleun,
tjelekit tjimata getih,
talintjang nja deudeuleuan.

[ 179 ]„Adi, bantoean ngitjeupkeun.”

Djoeg ka hoeloe parakan Sanghjang loetoeng; teu kanjahoan, ret njoreang poetri boengsoe ka toekang.

„Ti mendi noe pasti soemping,
ti mana ponggawa datang?”

„Ti Kaoeng loeöek.”

„Koemaha kasambat toeang kakasih?”

„Ki Goeriang.”

„Awak ing mah kabalinger, kapan Goeriang, kapan njaba.”

„Goeriang ngora tatjan aja noe seba; ieu, koemaha kasambat toeang kakasih?”

„Boengsoe soteh seubeuh bendoe,
radja sok seubeuh nalangsa,
poetri soteh seubeuh njeri,
sahidji keunana pasti.”

„Tjek noe mojok mah: nja ieu:

Njai emas Poerba sari,
Poerba sari ajoe wangi,
Kantjana ajoe dewata,
Dewata radjoena tapa,
Tapa emas Tapa radja,
Mas Tapa radja koesoema.”

Keurna diparinan kalo kantjana timoe ti hilireun djalma djenoek; „keunana, keuna pisan.”

„Ning koering teu boga pamoelang.”

„Teu hajang dipoelang, ridoe, kami mah djalma keur ngalalakon.”

Tjag ditampanan.

„Pamoelangna gampang, kirim kami angin leutik.”

Ngarangkoebang, kelepet, les.

Djoeg ka pipir goenoeng dianggo raksoekan, djanggelek miroepa loetoeng, tjalik di bale kantjana. Keur meudjeuh ngeureunan palaj.

XXII.

Tjatoerkeun di parakan.

Poerba rarang ret njoreang kagirangkeun.

„Koetan teh diparengkeun ka tangkoerak Poerba sari, koe oerang mah oelah kageden diparengkeun, teu daek njoreang-njoreang atjan.”

„Adi, tjoeang reboet bae.”

Tjek Poerba leuih: „teteh, pangampoera bae, karoenja, djalma nalangsa, hade doeloer goreng doeloer.”

„Saroea djeung tangkoerak sia, rek mangmeunangkeun bae.”

„Teteh, lain mangmeunangkeun, karoenja, djalma nalangsa.” [ 180 ]Geledeg loempat noe limaan.

„Kadieukeun kalo kantjana kami.”

„Teteh, sok sieun teuing, pamali, paparin noe kasep liwat.”

„Marengan kami di tangkoerak sia, eta mah mihape bae.”

Keukeuh noe teu mere, dipatorendjangkeun koe limaan, didjengkangkeun, blak nangkarak dina keusik semet toeöer.

„Koetan teh teu endah teu leuih, ajeuna geus ngemasan pati, roros lebok poeas ngeunah.”

„Teu tarima dikoeboer.”

Padoena pandjang nja oemoer,
kadjeun dina keusik boetjak,
kadjeun nalangsa ajeuna,
soegan mapahat djagana,
soegan pidjalaneun bagdja,
da koe nagara dipista,
kadjeun njeri ajeunana,
soegan pasti djadjagana.

XXIII.

Tjatoerkeun di manggoeng, tjarita di kahjangan.

Soenan amboe, teroes panon batan katja, katingali salawasna.

„Boedjangga seda, Boedjangga sakti: „si-indji disangsara koe nagara, geura toeroenan pangawasa.

Metik handjoeang koening lalakina, pangawasa Kai Boedjangga, djoeg diragragkeun ka boeana pantjatengah, njoeroep, djadi kapiting koening awak sagede loeloempang, tjatjapit sagede balioeng; rangkoenang ka girang, disosok pendetan; ger tjaäh dengdeng.

Ger disoerakan koe si-Lengser.

„Mama Lengser, soerak bae.”

„Soerak reuas, parakan bedah.”

„Mama Lengser, geura pendetan.”

Loentjat ka darat.

„Silah, tjoeang mendetan.”

Ger pada mendetan batan leutik anggoer gede.

Tjel laloentjatan ka darat.

„Pangoeloe tandang, anggoer mana anggoer mendi, anggoer palid ta anggoer mantjat; moen palid poös koering sampean.”

„Mas kabeureuh, geura pendet parakan oerang.”

Rigeug prak disilaan ngawingking pingping ka darat, kagoengan djiga oela santja ngodjaj, gedena saindoeng tongtolang, pandjangna tiloe tikeleun.

„Mas kabene, tjokotan iwak hampal leuang, tjokotan iwak bangkeuang, tjokotan iwak regemeng, iwak mangenjot, iwak maninggar.” [ 181 ]Rangkoenang kapiting koening awak sagede loeloempang, tjatjapit sagede balioeng, rangkoenang ka girang tjelepit giwing kagoengan Indradjaja.

Ger tjaäh dengdeng.

Ger disoerakan koe si-Lengser.

„Mama Lengser, soerak bae.”

„Soerak reuas djoeragan tiwas.”

Hoemaroeroeng hoemaregoeng,
bareuhna sagede boejoeng,
ditjapit kapiting koening,
kagoenganna Indradjaja,
lain toewoeh koe laoekna,
laïn moendak babawaan,
kilang kitoe henteu tombok,
aran si-beubureuh euweuh.

„Mama Lengser, tjoeang boebar, bala katoet bebene.”

Djoeg ka nagara, bloes ka padaleman. Geus datang, prak ngarieus oebar genep pipisan, katoedjoeh si-djompong.

„Adi, tjoeang oebaran bari noekang, boa poös aran si-beubeureuh euweuh.”

Prak dioebaran andeg totorombolan bae. Geus waloeja ditjapit kapiting koening dioebaran koe bebene. Keur meudjeuh ngeureunan palaj.

XXIV.

Tjatoerkeun di parakan.

Kapiting koening, soesoeroepan Kai Boedjangga, terengteng balik ka sawarga loka manggoeng.

„Ki Boedjangga, koemaha, waloeja?”

„Taja sawidji-widji.”

XXV.

Tjatoerkeun Nji Emas Poerba sari.

Koelisik poetri noe oesik,
kodjengkang poetri noe hoedang,
kilang kitoe woewoeh panggoeh,
kasipoeh pangaweroehna,
da ti memeh nagri datang,
poelang geus boebar nagara,
aran djalma disangsara,
balik gasik Ieumpang gantjang.

Djoeg ka pipir goenoeng, kasampak Loetoeng ngabengkong.

„Owah, soehoenan pamadjikan, koemaha, parakan teh saät? [ 182 ]„Saat pisan, tjatjap djangdjawokan djampe si-Oetoen matih pisan.”

„Koemaha, aja kabeubeunangan?”

„Meunang pisan kalo kantjana eusina laoek sahidji, paparin noe kasep ngaliwat, ning eta direboet koe nagara, kilang kitoe kadjeun bae, da eukeur sakitoe kahajangna.”

„Koemaha noe marinan teh?”

„Kasep pisan.”

„Henteu bogoh?”

„Rek bogoh bisi teu bogoheun.”

Imoet lemboet seuri leutik,
sedeng moelen dina angen,
tapi teu ngedal kaloear.

„Oetoen, teteh rek amit ka djamban larangan, rek ngaroeat maneh disangsara koe nagara.”

Goeloesoer toeroen, prak noe angkat ngala kekembangan warna toedjoeh.

Djoeg ka djamban larangan, sasak toeroeb taman panglokatan diboekakeun, boer maboer ninggang di djaoehna.[1]

Ketjeboer kembang dileboehkeun, prak ngaroeat maneh, kapoelih batan sasari, kasipoeh nja karatoean, kalandja nja kamenakan, geus waloeja deui.[2]

Rek njokot laoek doea bae da boga tjarek djeung si-Oetoen, doemadak saat parakan, rek ngadon madang djeung si-Oetoen.[3]

Balik gasik, leumpang gantjang; geus waloeja tas ngaroeat maneh.

Djoeg ka padaleman, prak tjalik.

„Oetoen, tampian teh aja laoekan, laoek ti mana?”

„Djamak, bangkala tjai aja laoekan.”

„Ditjokot doea da boga tjarek djeung si-Oetoen, ngadon madang djeung si-Oetoen.”

„Koema dinja, loetoeng mah, da teu njaho.”

Prak ngeureunan palaj.

Poerba sari ti leutik datang ka gede, kakara arek ngedjo.

Prak njioek beas, beas sarwa aja pamahanan paradewata, waktoe misalin ti peuting.

Sapandjang diboeang di pipir goenoeng, kakara rek ngedjo.

Top njokot soeloeh, prak miroen seuneu, top seëng dikahawoekeun, goeroentoeng njoeroegan, prak njeupankeun; mantare sangoe asak.

Laoek noe sahidji dipanggang, noe sahidji diolah; ngantian olah asak, prak babanjon. [ 183 ]

Piring ipis panjitjipan,
piring poetra pamadangan,
olahan digelek-gelek.

Geus asak, prak didjaitan.

Top pinggan toeloej disioek,
tjaina kana pinggankeun,
boekoerna pek dipiringan,
sok dikatetenongkeunna,
katoet djeung panggangna pisan,
katoet djeung piringna pisan.

Prak ngeusian kendi.

Kendi toelis tjetjep gading,
disopalan koe kantjana.

Sok diteundeun pipir tetenong gasik sangoe asak, prak diakeul; geus tiïs, prak disoemboelan.

Soemboel agoeng pangdaharan,
diwangkisan koe koeningan,
dilambean koe salaka,
disoekoean koe paroenggoe,
disokoan koe tambaga,
tjatjap dangdanna idangan.

„Oetoen, tjoeang madang djeung si-teteh.”

„Owah, soehoenan pamadjikan, loetoeng mah tara madang djeung manoesa bisi geuleuheun. Moen hajang madang djeung manoesa koedoe popoëkan, bisi tembong boeloena.”

Reup peuting, tel njeungeut damar.

„Oetoen, geus meudjeuhna.”

„Lamoen hajang temen madang djeung loetoeng, rampes, koedoe damar dipareuman.”

„Pes damar dipareuman.”

Disingklakkeun raksoekan sipet pigeulang leungeun kotjok sibanjo njarajnjaj.

„Oetoen, naon eta bet njarajnjaj?”

„Leunjaj.”[4]

Prak noe dahar popoëkan.

Ari njotjol boboroan,
disoesoel henteu kasoesoel,
rep ngeupeulna mangka teuas,
dikeueumkeun dina tjai.

Tjelem diïnditkeun dipagasroekeun. [ 184 ]Reg ngahoeleng.

„Ti tadi ge geuleuh oelah madang djeung loetoeng.”

„Oetoen, lain geuleuh; leungeun saha noe aloes teh?

„Arina kitoe timboeroean?”

„Lain timboeroean.”

„Teu njaho, soehoenan pamadjikan.”

Leungeunna ka teoh, Loetoeng ka loehoer.

„Nja kitoe mah ari pagasroek karasana aloes.”

„Soehoenan pamadjikan seubeuh?”

„Oetoen, nja kitoe keneh?”

„Kilang kitoe ge timboeroean.”

„Lain timboeroean da teu njaho.”

Prak dilingkoepkeun deui, djangkelek miroepa leungeun loetoeng deui sakabehna.

Tel deui njeungeut damar.

„Ngek tadi hideung ajeuna hideung, tadi boeloean ajeuna boeloean, kilangkitoe tampa ngandel.”

„Lain tampa ngandel da teu njaho.”

Prak kekemoe, ngalemar pisan; prak diwedak mapareman maneh.

Loetoeng inget ka sirepna, diaos ditioepkeun.

Lenggoet noendoetan Poerba sari.

„Oetoen, tjoeang sare djeung si-teteh, si-teteh banget toendoehna.”

„Soehoenan pamadjikan, loetoeng mah nepak maneh tara sare djeung manoesa, bisi geuleuheun.”

„Arina kitoe, si-teteh bae.”

Boeg noe sare tibra pisan, dahar seubeuh, tjape enja.

Braj raksoekan dilaan, prak digodos, digoelang gaper.

„Koetan teh geulis temen soehoenan pamadjikan.”

Hapoer ngaloeng kana poendoek,
hapoer ngoleng kana tjangkeng,
hapoer kembang tjatjarangan,
tjinggir gila koelaleutjir,
beuheungna djiga ngahoemboet.

„Lamoen ta geus keuna, soepaja keur pada tapa, nepi datang ka djanari bisi aja tjantrik goreng kaboenikeun.”

Kongkorongok hajam, neut hoedang, dianggo raksoekanana djanggelek miroepa loetoeng, tjampegog dina adeg-adeg, ari ti beurang dina bale.

Raj beurang Poerba sari kodjengkang hoedang; reg ngahoeleng ngaboentel tineung.

„Soegan soenan pamadjikan reuas ngahoeleng djiga noe poendoeng?”

„Lain poendoeng, karang hoeloe legok doea.”

„Arina kitoe tanpa ngandel, loetoeng mah ti peuting remen njaringna batan sare, dideuleukeun ti peuting tjengkat sirahna ari nindih ka noe sedjen djadina legok doea." [ 185 ]„Lain kitoe, Oetoen, dina legok doea baoe seungit ngalabari, baoe dedes, baoe rase, baoe menjan kawalagar, baoe kalemba kastori.”

„Soegan dewata ngaliwat.”

„Na, ari dewata seungit?”

„Teu njaho, kitoe ge bedjana.”

„Teu njaho, lamoen kitoe mah.”

Keur meudjeuh ngeureunan palaj.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

XXVI.

Tjatoerkeun noe di nagara.

Tjek Poerba rarang: „Mama Lengser, si-tangkoerak Poerba sari aja woewoeh pangaweroeh, aja nambah pangawasa, kieu ngadjadi, kieu ngadjadi, keujang teuing, oelah weleh merih pati torta gawe, geura dititah ka pipir goenoeng ngala banteng lilin soekoe gading, gedena sasaoeng boeroek, galakna kabina-bina, tandoekna sadeupa sasisi. Moen teu beunang, diteukteuk beuheung tilas adegan katoet djeung boedjangna loetoeng.”

„Soemoehoen, darma panjaoer, tarima ti pangandika.”

Tjedok njembah ngatoeran amit.

Djoet toeroen:

metoe lawang mandjing lawang,
metoe di lawang pingpitoe,
datang ka lawang pingsanga,
dangdeung ka paseban ageung,
djoeg ka aloen-aloen agoeng,
medal di lawang saketeng,
djoegdjoegna ka pipir goenoeng.

„Da halal, noen, noe kagoengan padaleman aja tjalik?”

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser,” orokaja gantjang nanja; „na tjoendoek dipioetoes, na datang dipiwarang, soemangga pikersaeun noen, rampes pikonokeun.”

„Ratoe emas, toeang koering, tjoendoek lakoe dipioetoes, datang dipiwarang, ngemban timbalan ti nagara miwah ka toeang karsa, sampean diperih pati torta gawe koe noe gede ngala banteng lilin soekoe gading, gedena sasaoeng boeroek, galakna kabina-bina. Mangka meunang poë ieu, lamoen teu beunang, diteukteuk beuheung tilas adegan katoet djeung boedjangna loetoeng, tjek timbalan.” [ 186 ]Regoek tjeurik dengdek ka Loetoeng:

„geura oendoer meungpeung djaoeh,
geura leumpang meungpeung anggang,
noengtikan goenoeng noe singkoer,
neangan mandala singkah,
nja teteh bala hareupeun.”

„Soehoenan pamadjikan, oelah haliwoe koe sakitoe, hanas kami pasinina mah.”

Bisaning titahan bisaning noe dititah.

„Hatoerkeun rampes bae.”

Tjek si-Lengser: „rampes soteh padoe beres, toeang koering ngahatoeranan, amit, teu lambat ngadeuheusan.”

Tjedok njembah, djoet toeroen, balik gasik leumpang gantjang.

Djoeg datang ka nagara, bloes ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser," orokaja gantjang nanja, „koemaha wangsoelanana?”

„Disanggoepan koe boedjangna loetoeng.”

„Toemoeli loetoeng bisa ngala banteng, toeloes diteukteuk beuheungna.”

XXII.

Tjatoerkeun di pipir goenoeng.

Poerba sari tjeurik leutik sasakitan; ras inget katimbalan.

„Oetoen, geura ngala banteng.”

„Loetoeng mah teu bisaeun ngala banteng, Loetoeng man enggonna di leuweung, loetoeng di loehoer koe banteng di teoh, meureun mo datang deui ka imah.”

„Oetoen, arina kitoe, teteh bae rek ngala banteng.”

Pati moen patitis-titis,
kadjeun pati toedjoeh kali,
padoe diajoenan goesti,
ngadeudeul koe tjongo poloj,
leuleus liat oelah pegat,
ari leumpang sieun banteng,
teu leumpang sieun timbalan.

„Oetoen, geura toenggoe imah.”

„Ngan sakitoe, loetoeng mah kabisana toenggoe imah.”

Katjatjang kolear angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag nja ngalangkah,
toemandang taja noe roang,
roang soteh roang badak,
nja oendoer reudjeung noe lemboet,

[ 187 ]

nja leumpang karo noe lendjang,
angkat karo wawajangan,
koeroesoek ka leuweung boesoek,
karasak ka djati lantjar,
lebet ka soemeneng djati,
kaina remeng djeung nangsi,
sangkrong kana leuweung ganggong.

Lebet kana tegal wareng pangbantengan, kasampak banteng noenggiring.

Sor njampeurkeun Poerba sari.

Banteng ngambeu manoesa, gebres; ngagebresan langkoeroek batan oepih boeroek, djoemangkarak batan majang ragrag.

Njarande kana kajoe gorda, tjeurik leutik sasakitan, disentak banteng; teu madjoe sieun koe timbalan, madjoe sieun koe banteng.

Pati moen patitis-titis,
kadjeun pati toedjoeh kali,
padoe diajoenan goesti,
aja-aja noe ngaliwat,
doemadak aja noe liwat,
rek njoehoenkeun diloeloengsoer,
menta pangalakeun banteng.

Keur meudjeuh, ngeureunan palaj.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

XXVIII.

Tjatoerkeun Sanghjang Loetoeng.

Doemadak ditanja oemboel ti sikloek, doemadak ditanja djenengan: Ki Koewoe heubeul isoek intjoe Aki Singa lajoe Mas toean sabawana.

Boer raksoekan dilaän, sok toenda dina nagasari dampit, prak noe dangdan:

dangdan soteh ngoesoet bae,
meunang saraksoekan kadoet,
sorenna doehoeng loemadoet,
mana loemadoet keur mintoel,
kadjeun mintoel ajeunana,
soegan seukeut djadjagana,
aran noe agoeng keur ngoesoet,
kadjeun koesoet ajeunana,
soegan beres djadjagana,

[ 188 ]

bari ngarekakeun sepoeh,
ari ka parakan kasep,
ari ka leuweung mah goreng;
katjatjang kolear angkat,
toemandang taja nja roang,
roang soteh roang badak,
angkat karo wawajangan,
sadjongdjongan saherojan.

Djoeg ka tegal wareng pangbantengan, kasampak banteng noenggiring; Poerba sari kasampak tjeurik leutik sasakitan, njarande kana kajoe gorda.

„Oerang mana tjeurik di leuweung?”

„Djaoeh, ti ditoe, ti Goenoeng Tjoepoe, Goenoeng Tjoepoe mandala ajoe, mandala kasawiatan.”

„Koe naon, mana nangis di leuweung?”

„Dipoendoetan banteng.”

„Na, teu kagoengan salaki?”

„Boga soteh boedjang loetoeng.”

„Ti mendi nja toeang boemi?”

„Bandjar karang pamidangan, lemah tjai kapoetihan, nagara antjik-antjikan ti sikloek.”

„Koemaha kasambat nja kakasih?”

„Ari tjek noe mojok mah Ki Koewoe heubeul isoek intjoe Aki Singa lajoe Emas toean sabawana.”

„Awak ing mah kabalinger, kapan koewoe kapan toean.”

„Kieu, ratoe emas, nitihan dajeuh gila koe gede, ari ka dajeuh ngoewoean, ari ka leuweung mah toeanan.”

„Ieu si, koemaha kasambat toeang kakasih?”

„Ieu mah:

boengsoe soteh seubeuh bendoe,
poetri soteh seubeuh njeri,
radja sok seubeuh nalangsa;

ari tjek noe mojok mah:

Njai emas Poerba sari,
Poerba sari ajoe wangi,
Kantjana ajoe dewata,
Dewata radjoena tapa,
Tapa emas tapa radja,
Mas tapa radja koesoema.

„Kitoe ge, pangampoera, Ki Koewoe heubeul isoek intjoe Aki Singa lajoe emas toean sabawana, djeneng awak ing rek ngaloeloengsoer, menta pangalakeun banteng.”

„Keur geura rek mantoean.”

„Geura ge, wajahna da teu bisa ngala banteng.” [ 189 ]„Kadoega neangan pisarateun ramboet sakoeren.”

Toeloej ngadoedoet ramboet sakoeren.

„Rampes, ramboet sakoeren.” „Hiling, geura njingkir.”

Toeloej njingkir; neut nangtoeng, seuseut kawawa ngahareupan Sanghjang Banteng.

Tjing, Sanghjang Banteng, lamoen tarima saloehoereun geura ngamoek, djoedjoemboelan geura menta sabaraha, lamoen sateoheun geura soedjoed.”

Diawen njeureupeut, djeg poetjoek beunang notogkeun, ari geus deukeut dedepaän, broek soedjoed.

Top ditjokot boeloe gadona, ditoemboekeun kana ramboet sakoeren; „ranggieung, banteng, noetoerkeun.”

Tali soteh tjiri bae,
tjiri bawana ngadjadi,
tambang bawana dipangpang,
dadoeng soteh tempoeh bae,
didadoeng koe pangweroehna,
ditali koe pamilikna,
didjareudjeuh koe angkeuhna,
dibawa koe panarima.

Ki Koewoe heubeul isoek intjoe Aki Singa lajoe emas toean sabawana, ari sore ngenter pamake, ti peuting ngintip pamilih, isoek ngoeroes pangaweroeh, ti beurang ngetang pangabisa.

„Mana banteng galak beunang?”

„Rampes toeang kagoengan Sanghjang Banteng.”

„Aki Koewoe heubeul isoek intjoe Aki Singa lajoe emas toean sabawana, nja soteh ngaloeloengsoer, teu boga pamoelang.”

Tjag banteng ditampanan.

„Kami teu hajang dipoelang, gampang poelangna mah, kami kirim angin leutik.”

Ngarangkoebang, kelepet, les.

Djoeg ka pipir goenoeng dianggo raksoekanana, djanggelek miroepa loetoeng, les leungit miroepa Aki Koewoe, tjalik di bale kantjana.

XXIX.

Tjatoerkeun Poerba sari.

Rek toeroen ka nagara banteng lindeuk beunang ngadjangdjian; „ranggieung, banteng, noetoerkeun, rek toeroen ka nagara.”

Tali soteh tjiri bae,
tambang soteh tanda bae,
tali bawana ngadjadi,
tali bawana tipangpeng,

[ 190 ]

mana banteng kanjahokeun,
nganjahokeun ka noe sieun,
ari njoreang reup peureum,
arina noekang njah beunta,
nganjahokeun ka noe sieun.

Djoeg ka nagara, bloes ka lawang aloen-aloen, sakitoe patingdareukdeuk.

Djoeg ka paseban kaloearan.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Teteh, rampes, njerahkeun toeang kagoengan Sanghjang Banteng.”

„Koetan sia ngaloeloehoeran ngaleuleuihan.”

„Lain ngaloeloehoeran ngaleuleuihan, noe ngora samboeng toena, ngimankeun timbalan teteh, di dieu diteundeunna Sanghjang Banteng teh.”

„Sok, tjangtjangkeun dina tihang tengah, tangkoerak sia, oelah lila-lila matak sangar kana dajeuh.”

„Teu dikersakeun oge teu boeroeng balik, nja soteh ngadeuheusan ngatoerkeun toeang kagoengan Sanghjang Banteng.”

Red banteng ditjangtjangkeun.

Sanggeusna, tjedok njembah: „teteh, ngatoeran amit, teu lambat ngadeuheusan.”

„Geura mantog, geura roros.”

Djoet toeroen.

Ari geus noekang tji panonna bari rambasbas: „temenna ari teu beunang diperih pati, teu beunang ditjarekan, ambihna kateukteuk, soepaja katjaosan bae mana teu ngalakon kateukteuk.”

Balik gasik leumpang geura.

Djoeg ka pipir goenoeng, kasampak Loetoeng ngabengkong.

„Soehoenan pamadjikan aja kabeubeunangan?"

„Meunangna mah meunang pisan, kasedek koe noe ngaliwat.”

„Djadi naon lamoen taja noe ngaliwat?”

„Meureun paeh koe banteng.”

„Koemaha dedegna noe ngaliwat teh?”

„Goreng pisan bari sepoeh pisan, kadjeun teuing padoe meunang.”

„Teu bogoh?”

„Henteu, da sieun banteng bari sepoeh pisan.”

Imoet lemboet seuri leutik,
sedeng moeles kana angen,
aran teu ngedal kaloear.

Bloes ka padaleman, ngeureunan palaj.

XXX.

Tjatoerkeun di nagara. [ 191 ]Nji Poerba rarang noe goreng boedi ti leuleutik, goreng toeah ti boeboedak, oerat nganteng dina tarang pangaroeh djalma bedang, gilisir banteng dideukeutan.

Ngarasa ngambeu manoesa gebres ngagebresan.

Pok Poerba rarang: „gila koe linghas, ari koe Poerba sari lain, benerna gila koe lindeuk, mengke banteng dipodaran.”

Banteng njaho ditjarek goreng, aran banteng soesoeroepan. Per ngentja, per ngatoehoe; dak-dek-dok, djeproet pegat tambangna.

Djoeg ngentja, djoeg ngatoehoe, kikis paboeis, djaro potong, kandang boengbang; geledeg ka aloen-aloen.

Ger disoerakan koe si-Lengser.

„Mama Lengser, soerak bae.”

„Soerak kaget, banteng rek moset.”

Djoeg ngetan, djoeg ngoelon, djoeg ngaler, djoeg ngidoel, banteng ngamoek bale roentoeh, leuit roempoeng; banteng njemproeng, loempat deui ka leuweung.

Areuh-areuh asa bareuh,
dioebaran bangkang seureuh,
leuëur bae beuteung hanteu,
asa njatoe sambel gintoeng,
ditjoël koe boeboej djantoeng,
seuëul bae beuteung hanteu,
nagara taja tjageurna,
baheula leboer koe Loetoeng,
ajeuna leboer koe banteng,
benteng roentoeh leuit roempoeng.

Ari banteng njemproeng ka leuweung.

„Mama Lengser, keujang teuing kieu ngadjadi, kieu ngadjadi, oelah weleh merih pati etem genteng, djaroem rangkas, mangka djadi pakarang tani sarwa toedjoeh, sarta palega-lega tjatjaran, toedjoeh pasir sewang reana; tjatjaran oerang di noe hade, tjatjaran Poerba sari di noe goreng. Batoe patimoe tjadas patenggang, kaso rogok, djoekoet ngawingking, wareng negal, kiara ngadjadjar, batoe reok, tjadas ngampar. Lamoen teu saroea anggeusna, diteukteuk beuheung tilas adegan djeung boedjangna loetoeng; hajoe, Lengser, geura leumpang ka Poerba sari.”

„Soemoehoen darma panjaoer, tarima ti pangandika.”

Tjedok njembah, djoet toeroen.

Katjatjang kolear angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag nja ngalangkah,
metoe lawang mandjing lawang,
metoe di lawang pingpitoe,
datang ka lawang pingsanga,
dangdeung ka paseban ageung,
djoeg ka lawang aloen-aloen,

[ 192 ]

parapas ka lawang loear,
medal di lawang saketeng,
koelantoeng toeroet loeloeroeng,
loeloeroeng tiloe ngabandoeng,
kaopat noe keur didjaga,
kalima heuleut-heuleutan.

Djoeg ka pipir goenoeng.

„Da halal, noen, noe kagoengan boemi aja tjalik?”

„Mama Lengser, bagea teuing, moen isoek teu loepoet tjoendoek, moen beurang teu loepoet datang, noen, Mama, geura gek tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser,” orokaja gantjang nanja, „na tjoendoek dipioetoes, na datang dipiwarang, na niat kita sorangan, soemangga, noen, rampes pikonokeun.”

„Djaoeh lakoe dipioetoes, datang leumpang dipiwarang, ngemban pangandika ti nagara miwah ka toeang karsa, ratoe emas, diperih pati torta gawe, etem genteng, djaroem rangkas, mangka djadi pakarang tani sarwa toedjoeh sarta palega-lega toedjoeh pasir sewang reana. Lamoen teu saroea anggeusna, diteukteuk beuheung tilas adegan katoet djeung boedjangna loetoeng.”

Regoek Poerba sari tjeurik leutik sasakitan, dengdek ka loetoeng.

„Oetoen, geura oendoer meungpeung djaoeh,

geura leumpang meungpeung anggang,
noengtikan goenoeng noe singkoer,
neangan mandala singkah,
poendoet pamenta nagara,
taja-tajana anggeusna,
rek wangsoel gila koe soendoel,
popojan gila koe tata,
koemaha piwangsoelaneun.”

„Soehoenan pamadjikan, oelah haliwoe koe sakitoe, loehoer kami pasinina mah.”

Bisaning titahan, bisaning noe dititah. Ari sanggoep bisi loepoet, ari tanggoh bisi poös.

„Hatoerkeun rampes bae ka djeneng si-teteh.”

Tjek si-Lengser: „rampes soteh padoe beres; toeang, koering ngahatoerkeun, amit, teu lambat ngadeuheusan.”

Tjedok njembah, djoet toeroen; balik gasik leumpang gantjang sadjongdjongan.

Djoeg datang ka nagara, gebloes ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser,” orokaja gantjang nanja, „merih pati torta gawe palega-lega hoema, koemaha wangsoelanana?”

„Pangoeloe tandang, ari wangsoelanana ngarampesan, koe boedjang loetoeng.”

„Toemoeli loetoeng bisa njatjar, toeloes kateukteuk beuheungna.” [ 193 ]Keur meudjeuhna ngeureunan palaj.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieun,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

XXXI.

Tjatoerkeun di pipir goenoeng.

Reup peuting, Loetoeng inget ka sirepna; diaos ditioepkeun ka Poerba sari; lenggoet noendoetan.

„Oetoen, tjoeang sare djeung si-teteh.”

„Soehoenan pamadjikan, loetoeng mah tara sare djeung djelema, bisi geuleuheun.”

„Arina kitoe, si-teteh bae, rek sare dina kasoer toedjoeh toempang, da geus boga padaleman.”

,Dingin pinasti awak ing anjar kapanggih, rek ladjoe ka Soenan amboe, rek loenta ka toeang rama, ka amboe neda pitoeah, ka rama neda papatah.'

Meungpeung sare, gedogkeun raksoekanana, braj baranang sariga bentang, djiga kilat eukeur datang kakasepan Goeroe Minda Kahjangan.

Sok raksoekan ditoenda dina nagasari dampit dina poepoengkoeran. Djengkekeun amboe soekoe ti katoehoe, timbang koe ti kentja, ngadeudeul bagal boeana. Parapas sewoeng:

Goeroe Minda Kahjangan,
anak dewata tjikalna,
titisan Goeroe Hjang Toenggal,
seuweu Batara di langit,
kandegan Loetoeng kasaroeng,
ngalimbang-limboeng di manggoeng,
parapas ka mega bodas,
koelinting ka mega miring,
dangdeungna ka mega hideung,
patapaan anoe neuleum,
lain saneuleum-neuleumna,
moen djadi paneuleum ratoe,
djadi kasoegihanana,
henteu mah euweuheun teuing,
tjoendoek kana mega noenggoel,
datang kana mega halang,
datang kana mega kajas,
patapaän ,boenga beureum,'

[ 194 ]

mangka estoe pangbeureumna,
lain sabeureum-beureumna,
lamoen peuting bisa njoengging,
lamoen poëk bisa njongket,
tjaang boelan bisa njoelam.
ari tjeukreum boes noe neuleum,
ari tjangra njangkoedoean,
djadi kasoegihanana,
henteu mah euweuheun teuing,
soemping kana ,asih leungging,'
patapaän indoeng beurang,
lain saindoeng-indoengna,
moen estoe noeloeng ngadjoeroe,
mangka datang ka noe pasti,
djadi kasoegihanana,
henteu mah euweuheun teuing,
mana datang ka noe pasti,
tjoendoek kana ,asih lagoe,'
patapaan djoeroe pantoen,
mangka estoe pangmantoena,
djadi pangmantoen sangratoe,
pangandika Goeroe Minda,
moen ampoeh Loetoeng kasaroeng,
djadi kasoegihanana,
henteu mah euweuheun teuing,
tjat tihangna kaloehoerkeun,
ka angin sada karinding,
ka hoedjan sada galendang,
kana goegoer sada angkloeng,
kana gelap tarawangsa,
awak ampoeh tanding kapoek,
hampang kapas tanding koembang,
awak sarwa djeung noe lemboet,
saraga reudjeung dewata,
awak leuleus tanding haseup,
awak sarwa djeung noe lemboet,
tjat ka wewengkon pohatji,
Nji Pohatji anta maja,
Nji Pohatji anta boekti,
Pohatji sang seda tapa,

Si-Oetoen eureun sakeudeung:

njoreang-njoreang tatjan,

[ 195 ]

ongkoh mentang kaloehoerkeun,
tembong raäs rantjang bae,
tembong lamer-lamer bae,
tjoöeun Wiroe manangga,
ngarekakeunna tjaringin,
sarta pek miakar kawat,
mitangkal tambaga soekra,
midaoen salaka ngora,
miboeah emas ranggeujan,
mantjat kasorong kantjana,
patapaän pradewata.

Djoeg ka sawarga loka manggoeng alam padang poë pandjang, Soenan amboe kasampak kasondong aja, roj mando, parapas njembah.

„Oetoen, sinarieun sinanteneun si-Oetoen soemping, sok hajang gantjang nanja. Tjoendoek di boelan danoe, datang di boelan soebaja, soemangga pikersaeun, naon rampes pikonokeun, koemaha saoer ka amboe?”

„Soenan amboe, mana peuting koemareumbing, mana poëk soemeleket, ngadeuheusan ka Soenan amboe, soehoenan pamadjikan kasoesahan. Diperih pati torta gawe, etem, genteng, djaroem rangkas mangka djadi pakarang tani sarwa toedjoeh sarta palega-lega tjatjaran. Ditoedoehkeun di noe hade tjatjareun oerang nagara, di noe bangga tjatjareun oerang, dina batoe loeloemoetan, dina moengkal darahanan, tegal wareng kiara ngadjadjar, batoe reok, tjadas ngampar, mangka saroea anggeusna. Lamoen teu saroea anggeusna, diteukteuk tilas adegan, pok madjar, djeung ka awak ing.”

Soenan amboe haleuang sasaoeran: „soekoer, lamoen diadjak toewoeh:

geura soegih geura moekti,
soegih moekti rea boekti,
beurat beunghar rea banda,
reureudjeungan katoet bala,
geus deukeut ka waktoe sia,
banda djenoek diwoewoehan,
Poerba sari anak aing,
Goeroe Minda anak aing,
eta lain doeman kami,
doedoeman Kai Boedjangga,
loehoer wewengkon dewata.”

Tjedok njembah, djoet toeroen.

Djoeg ka wewengkon paraboedjangga, kasampak keur neupa, dialaän tahananana.

„Si-Oetoen soemping?” orokaja gantjang nanja.

„Kami diperih pati torta gawe, etem, genteng, djaroem rangkas mangka djadi pakarang tani sarwa toedjoeh.” [ 196 ]„Oetoen, sakitoe mah mo kakoerangan, ditjawisan salawasna.”

„Sarta palega-lega tjatjaran toedjoeh pasir sewang, ditoedoehkeun di noe bangga; lamoen teu saroea anggeusna, diteukteuk beuheung tilas adegan, pok madjar, djeung ka awak ing.”

„Oetoen, sakitoe mah gampang. Geura balik meungpeung peuting, si-indji bisi kasampak geus njaring, geura poelang mangka gantjang, bisi kasampak geus hoedang. Oetoen, oelah waka tembong kasep, tatjan datang ka poëna, bisi teu hedjo lalakon, bisi teu rambaj tjarita tatjan datang ka mangsana.”

Ngatoeran amit, tjedok njembah, parapas kolear angkat; geus ngoengkoelan ngaloenggoehan.

Djoeg ka boeana pantjatengah, Poerba sari kasampak keur sare keneh, dianggo raksoekanana, djanggelek miroepa loetoeng, les leungit roepa manoesa.

Prak ngeureunan palaj tapakoer dina bale kantjana.

XXXII.

Tjatoerkeun di manggoeng, tjarita di kahjangan.

Saoer Soenan amboe ka noe geulis Pohatji Wiroe manangga tabeuh ,kendangan manik kaboejoetan’, tangara di kahjangan.

Leut dewata patangpoeloeh, pohatji patangpoeloeh, boedjangga opat, noe poerah poelang anting: Boedjangga toea, Boedjangga seda, Boedjangga sakti, Boedjangga leuih.

„Si-Oetoen tas soemping, geura djoengdjoengkeun seuweu ratoe, djadjap seuweu radja. Diperih pati si-indji koe nagara, diadjak palega-lega tjatjaran, toedjoeh pasir sewang reana, ditoedoehkeun di noe bangga. Moen teu saroea anggeusna, diteukteuk beuheung tilas adegan katoet boedjangna loetoeng, tjek ti nagara. Mangka kapiheulaan, oelah tembong geus anggeus, mangka tembong leuweung keneh koe nagara pindingan koe pangawasa, memeh toeroen katigana ka oerang sisi, hoedjanna ka oerang nagara aran sibaha ka radja.”

XXXIII.

Tjatoerkeun paraboedjangga.

Kakoerangan keneh pakarang, boedjangga leuih pangawasa dewata.

Gisik dakina rekakeun,
dakina rekakeun beusi,
kesang direkakeun wadja,
satoedoeh-satoedoeh metoe,
sakedap-sakedap netra,
sadjiadna tinoeroetan,
pakarang teu pati djenoek,
ngan sewoe dalapan ratoes.

Diragragkeun sanghjang pakarang, sasoegrining pakarang, diragragkeun [ 197 ]pangajoehkeun hoedjan pakarang, tinggoromjong hoedjan ka boeana pantjatengah ; boeroeboet noetoerkeun sanghjang pakarang datang ka boeana pantjatengah.

Tjek loeloegoening boedjangga: „hjang adi, opat pasir koe tiloean, tiloe pasir koe sorangan, sasoegrining sasangetan, sapangeusining leuweung, ieu geura pindahkeun ka tjatjareun oerang nagara, kari djoekoet djeung tatangkalan tjatjareun.”

Toemoeloej paraboedjangga,
ngaroeroehna kana haoer,
mapajna kana tamiang,
wareng djeung kiara pisan,
djoekoet djeung kasona pisan.

Linjih ambrin kataradjang sanghjang pakarang:

trang! treng! trong!
paadoe pada pakarang,
pakarang koerang kadekkeun,
pakarang ngopek koe andjeun,
karina hoeroeëun bae,
todjokeun panon poëna,
noe toedjoeh haoerna bitoe,
sarta tamiang bareulah,
tjatang enggeus ngalolohkor,
batoe aloem tjadas perang.

Keur meudjeuhna ngeureunan palaj paraboedjangga.

XXXIV.

Tjatoerkeun Sanghjang loetoeng.

„Rek ka leuweung, boedjangga di teoh keneh.”

„Oetoen djeung si-teteh reudjeung?”

„Montong, djalanna gawir.”

„Koemaha si-Oetoen bae.”

Loetoeng mah loentjat bae, goebrag blas ka leuweung, djoeg ka tjatjaran, patimoe paraboedjangga.

Tjek Kai Boedjangga: „Oetoen, tjatjaran teh geus anggeus, kari hoeroeëun bae, sepet ngahoeroe kaditoekeun, montong poelang anting, tjape, geura ngoekoes bae, mo teu datang ka kami, kami rek amit balik.”

Owah, ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,

ngobah-ngobah noe keur tapa,
neda pangampoera bae.

„Oetoen, oelah rea kasaoeran, mo hedjo lalakonna rambaj tjaritana, moen teu koe amboe koe sadoeloerna.” [ 198 ]Parapas djoeg ka sawarga loka, boes ka panoenggoean, blas ka patapaän.

Keur meudjeuh ngeureunan palaj.

XXXV.

Tjatoerkeun di boeana pantjatengah.

Di nagara rek miheulaan, timbang kapiheulaan.

„Mama Lengser, geura koempoelkeun batoer djenoek, bala rea.”

„Soemoehoen darma panjaoer, tarima ti pangandika.”

Tjedok njembah, djoet toeroen.

Geledeg loempat, der nabeuh tangara; leut batoer djenoek, bala rea.

„Djoeragan Lengser, njoehoenkeun paparin bedja, tangara naon dikoempoelkeun?”

„Timbalan pangoeloe tandang tjoeang miang njatjar bisi kapiheulaan koe oerang sisi.”

Gebloes ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser, koemaha, geus koempoel, batoer djenoek, bala rea? Geura hatoerkeun ka mas kabeureuh Indradjaja.”

„Noen, goesti sembaheun koering, meudejuhna miang.”

Rigeug anoe angkat bala rea djeung si-Lengser; sadjongdjongan djoeg datang ka tjatjaran : „bangkala njatjar kiara heula-heulakeun.”

Der njatjar patingdjoeringkang nindih ka noe leutik; breg hoedjanna, patingdjareded gelap, tjatjar babandjiran; loeang njatjar eta koedoe katiga.

Angkat, diseureudan koe tataman, koe babakaoer, koe bajongbong, koe odeng aran sasangetan bae; njatjar babandjiran, noe kebloek ditondjok, njoreang didoepak.

„Lengser, angker temen.”

„Ti dalem teu pisan nastiti, goesti; bangga pisan ti nagara.”

„Mama Lengser, kami mah tjape temen.”

„Tjape eta komo dewek,
kana leuweung ngapalaän,
ka nagara ngaroerahan,
kilang kitoe teu katjarek,
aran hade ka noe gede.”

Ari geus sewoteun si-Lengser kaloeloeh peroeh, katintjak peunggas, kaperod bongbong katoet djeung tatangkalan; tjatjar panggoeng kari hoeroeëun bae, nanging tjatjar babandjiran bae aran sibaha ka radja.

„Lengser geus anggeus?”

„Enggeus, oerang boebar.”

Rigeug Indradjaja angkat. Djoeg ka nagara, boes ka padaleman koe sila pinoeh saroang, bidak kaloearan boemi sewang-sewangan.

„Koemaha, Mama Lengser, tjatjar geus anggeus?” [ 199 ]„Geus anggeus tjatjar, gila koe lega toedjoeh pasir reana.”

„Koemaha noe oerang sisi?”

„Poerba sari kakara patingkaroreh, meunang sabirit loetoeng, pakarangna koedjang boentoeng.”

„Toeloes kateukteuk beuheungna?”

„Toeloes.”

„Soekoer.”

Keur meudjeuh ngeureunan palaj.

XXXVI.

Tjatoerkeun oerang sisi.

Nji Mas Poerba sari sipet ngahoeroe ka ditoe, henteu koengsi poelang anting kongkonan, rek ngoekoes bae.

„Ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,
ngobah-ngobah noe keur tapa.

XXXVII.

Tjatoerkeun di manggoeng, tjarita di kahjangan.

Soenan amboe teroes panon batan katja katingali salawasna si-Oetoen geus datang kongkonan, geus moeles kana pangamboeng, rek noeroenkeun ngahoeroe.

Ngitoeng-ngitoeng sandi tahoen, ngetang-ngetang sandi boelan, neangan poë loenggoeh ing geni teu poë soekla, poë anggara; paraboedjangga rek toeroen di poë anggara.

Tjek Kai Boedjangga: „toeroen geni arah ti loehoer, lemboet datang ka handap badag, maroeroeh kana haoer, mapajna kana tamiang djeung sakabehna.”

Ngageder ngahoeroe tjatjaran sakabehna, nanging henteu tembong ka nagara.

Loeloegoening boedjangga rek ngabidjilkeun pangawasa njeungeut noe totorombolan; bring disingsringan, sakeudeung paragat anggeus.

Leboena geus nengah toeöer,
leboena baoe djamoedjoe,
tjatjar Emas poetri boengsoe,
aran anggo djalma loetjoe,
roehakna baoe tjandana,
djiadan Boedjangga seda,
beunang neda Goeroe Minda,
dibandjoeran koe boedjangga,
toeroenna Batara Siwa,
ti manggoeng tina kahjangan,
sirilik anginna leutik,
parapat angin baratna,

[ 200 ]

toeroenkeun angin poejoehna,
nja poejoeh toedjoeh moendingeun.

Der angin datang pangamboeng tjatang di manggoeng, kilang kitoe teu katembong.

Linjih ambrin hoenjoer leboer,
lebakna antar sapisan,
taneuh djiga beunang neukteuk,
lemah djiga beunang ngoendak,
taja leboena samendang,
hade toera pamidangan,
midang tani nandoer boekti,
djiadan Boedjangga sakti,
njadangan Nji Poerba sari.

Tjek Kai Boedjangga: „hjang adi, tjoeang njieun saoeng, opat saoeng koe tiloean, tiloe saoeng koe sorangan.”

Njieun saoeng datang ka doea saoeng, tiloe saoeng, opat saoeng, lima saoeng, genep saoeng datang ka toedjoeh saoeng; pangnoengtoeng panjiptakeun sasoegrining pakarangan: said, njiroe, boboko, ajakan, tetenong, soemboel, katjapi, karinding, tarawangsa djeung tjaloeng.

Ngoengkoeng tjaloeng troes ka manggoeng,

kabogoh parapohatji,
tangara dipihoemaan.

XXXVIII.

Tjatoerkeun Sanghjang loetoeng.

Oenggal poë ka leuweung koedjang boentoeng dibabawa.

„Oetoen djeung si-teteh reudjeung?”

„Montong, da ngan sabirit loetoeng, mo anggeus.”

Djoeg ka leuweung, kasampak boedjangga, ngaderak ngeureunan palaj.

Tjek Kai Boedjangga: „Oetoen, kami rek amit balik, ngan kari aseukan bae.”

Owah, ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,

ngobah-ngobah noe keur tapa,
neda pangampoera bae.

„Oetoen, oelah rea kasaoeran, mo hedjo lalakonna, rambaj tjaritana, moen teu koe amboe koe sadoeloerna.”

Djoeg ka sawarga loka manggoeng, prak tjalik di patapaan.

Saoer Soenan amboe: „koemaha Kai Boedjangga, geus parele?”

„Parele, kari aseukaneun bae.”

„Soekoer.”

Keur meudjeuh ngeureunan palaj. [ 201 ]

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

Tjatoerkeun di boeana pantjatengah.

Sangkilang patimoe heuleut,
tembong leuweung keneh bae,
ka nagara dipindingan,
djadjim ari pangawasa,
dewata reudjeung boedjangga.

XXXIX.

Tjatoerkeun di nagara.

Noe di nagara rek miheulaän, timbang kapiheulaan.

„Mama Lengser, koempoelkeun batoer djenoek, djalma rea.”

„Soemoehoen darma panjaoer, tarima ti pangandika.

Tjedok njembah, djoet toeroen.

Der nabeuh tangara; leut batoer.

„Djoeragan Lengser, aja tangara naon?”

„Timbalan pangoeloe tandang tjoeang ngahoeroe tjatjaran, geura naranggoengan obor, prasikepan tjekelan sewang-sewangan.”

Gebloes ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser, koemaha, geus anggeus? Geura hatoeran ka mas kabeureuh Indradjaja.”

„Noen, goesti sembaheun, koering meudjeuhna miang.”

Rigeug noe angkat, broei noe rea, sadjongdjongan djoeg ka tjatjaran, der diseungeutan, morobot sada bitoeng kahoeroean. Der hoedjan, tinggeledoeg goegoerna, tingdjareded gelapna; ngahoeroe tjatjaran hoedjan bae, aran sibaha ka radja.

„Djoeragan Lengser, koemaha ieu loeangna ngahoeroe tjatjaran koedoe katiga.

»Mo, koerang piakaleun, nagara mah noe nioep, noe njongsongan, noe ngageberan, noe ngahihidan.”

Djegoer nioep, pes pareum pisan koe hoedjan.

„Koemaha, djoeragan Lengser, ari teu teurak dihoeroe?”

„Mo, koerang piakaleun da nagara noe lemboet dipaoetan noe gede diseredan, tjatang djodangan, noe pondok ponggokan, toenggoel raboetan, sakeudeung paragat anggeus. Prasikepan njieun saoeng tihang haoer hateup baloeboer, ari geus diboeat, teu oel ninggalkeun, geus pada ngalalening.” [ 202 ]„Batoer, tjoeang boebar, da geus parele.”

Rigeug Indradjaja noe rea ngiring.

Djoeg ka nagara, bloes ka padaleman, brak noe sila pinoeh saroang, bidak kaloearan boemi sewang-sewangan.

Mariksa Poerba rarang ka si-Lengser: „koemaha, Mama Lengser, ngahoeroe tjatjaran parele?”

„Geus parele, oetama pisan bari lega, dikira-kira pibiniheunana mana mahi toedjoeh bakoel, toedjoeh bodang.”

„Soekoer, Mama Lengser, koemaha noe oerang sisi Poerba sari noe boedak ketengan tea?”

„Noe oerang sisi bareto sabirit loetoeng, ajeuna loetoeng doea birit; ari njatjar tataekan bae.”

„Soekoer, toeloes kateukteuk adegan.”

Lengser keur meudjeuhna ngeureunan palaj.

Tjatoerkeun oerang sisi.

Nja soteh patimoe heuleut, tembong leuweung koe nagara, ngan ditembongkeun ka djalma saoerang ngan ka si-Lengser.

Tjatoerkeun Poerba sari.

Rek miheulaan timbang teu kapiheulaan.

Sipet ngahoeroe ka ditoe henteu koengsi poelang anting didjangdjian Kai Boedjangga.

Neda agoeng nja paraloen,
neda pandjang pangampoera,
ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,
ngobah-ngobah noe keur tapa.

XL.

Tjatoerkeun di manggoeng, tjarita di kahjangan.

Soenan amboe teroes panon batan katja, balikeun pangawasana, tinggangkeun ka nagara katigana,

hoedjanna ka oerang sisi,
leutik henteu gede henteu,
ngarintjik sedeng meudjeuhna,
ngitoeng-ngitoeng sandi tahoen,
ngetang-ngetang sandi boelan,
neangan poë loenggoehing,
boemi koedoe manggih toempek,
poehoen tiïs perbawana.

Noe geulis Pohatji Wiroe manangga nabeuh kendangan manik kaboejoetan [ 203 ]tangara di kahjangan. Leut dewata opat poeloeh, boedjangga opat noe poerah poelang-anting, kokolot parapohatji, noe geulis Girang tjandoli.

„Indji, sia kieu dideukeutkeun tea mah, geus datang kongkonan si-Oetoen, geus moeles kana pangamboeng:

„djoengdjoengkeun seuweuna ratoe,
geura djajak seuweu radja,
geura pek pangmipoehoenkeun,
pada-pada mipoehoenkeun,
mangka nastiti tarapti,
ajana rengoe saeutik,
oelah arek ditoeloeskeun,
hamo taja beurang deui,
bisa njalindoengkeun semoe,
bisa njoesoempingkeun boedi,
koedoe diangir djeung mandi,
diboboreh koedoe poelang,
panganten parapohatji,
windoena miloe ka tahoen,
tahoenna miloe ka boelan,
boelanna miloe ka poë,
poëna miloe ka daoeh,
daoehna miloe ka saha.”

„Ari tatjan sakitoe, oelah wara toeroen binih noe sakieu moen tjoekoel ka toedjoeh pasir, kingkila djiad ti aing, pohatji opat poeloeh, dewata opat poeloeh, boedjangga opat geura taroeroen. Dewata djeung pohatji teroes djeung Kai Boedjangga djoengdjoeng seuweu ratoe, djajak poetra radja, geura toeroenan ka boeana pantjatengah, geura pangmipoehoenkeun.”

Indit tina pangtjalikan, loegaj tina pangtapaän; djoeg ka boeana pantjatengah ngeureunan palaj dina saoeng boeatan Kai Boedjangga.

Tjek pangiwa dewata Wiroe manangga, „geura dadaoet pakeun mipoehoen tamiang poegoer djeung seël, dadap djeung patjing; geus meudjeuhna, geura mipoehoen.”

Noe geulis Girang tjandoli prak mipoehoen, toeloej njieun paroepoejan, boel noe ngoekoes.

„Boel koekoes aing ka Sang Roemoehoen,

ka manggoeng ka Sang Roemoehoen,
ka Sanghjang Batara Goeroe,
ka handap ka Sang Noegraha,
ka Batara Naga radja,
ka Naga Rahjang niskala,
noe aja di paniïsan,
oelah hamo pangneroeskeun,

[[Category:]] [ 204 ]

koekoes aing menjan poetih,
ka Pohatji Dewi poetih,
mangkana teroes ka manggoeng,
ka manggoeng neda papajoeng,
kana Emas Pajoeng larang,
kami mihape tatanen,
ka Nini Bagawat Sangsri,
ka Aki Bagawat Sangsri,
nja beurangna nja peutingna.”

„Indji deudeuh.”

„Nji Pohatji Sanghjang seri,
geura emok mangka denok,
geura hedjo mangka lembok.”

„Nji Pohatji Roemoehmoej poetih, aran ing boemi,

geura renoeng siroeng boengoer,
ngarangkadak batan mandjah,
ngaranggekgek batan sereh,
asoep montok bidjil denok,
sia montok aing moekti,
anoe nandoeranan soekma,
anoe ditandoeran soekma,
nja dewata Seri nja aing,
atji koelitna di aing,
dewata eudjeung pohatji,
teroes djeung Kai Boedjangga,
ngaseukna opat kalima,
kalima dipipoehoenan,
binihna anoe samangkok,
soepaja moelang sabatok.”

Dewata, pohatji ngeureunan palaj dina saoeng boeatan Kai Boedjangga, ngoengkoeng tjaloeng teroes ka manggoeng.

Tjatoerkeun Sanghjang loetoeng.

„Soehoenan pamadjikan, amit, rek mipoehoen.”

„Oetoen, atoeh djeung si-teteh.”

„Montong, mo teu anggeus da ngan sabirit loetoeng.”

Malah dibahanan bibit-bibitan sarwa saese: djagong sadjantoeng, tjikoer saboekoer, djahe sarempang.

Leut ka hoema, kasampak dewata djeung pohatji teroes djeung Kai Boedjangga.

Tjek noe geulis Pohatji Girang tjandoli, kokolot parapohatji: „Oetoen, kami [ 205 ]rek amit balik.”

Wangsoelan loetoeng:

„ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,
ngoboh-ngobah noe keur tapa,
menta pangampoera bae.”

„Oetoen, mo hedjo lalakonna, mo rambaj tjarita, moen teu koe amboe, koe sadoeloerna.”

Terengteng baralik ka sawarga loka manggoeng, ka boemina sewang-sewangan.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

XLI.

Tjatoerkeun di boeana pantjatengah.

Noe di nagara rek miheulaan, timbang kapiheulaan.

„Mama Lengser, geura koempoelkeun batoer djenoek, bala rea, geura miang ka hoema, geus meudjeuhna ngaseuk.”

Tjedok njembah, djoet toeroen.

Lengser der nabeuh tanggara, leut batoer djenoek daratang.

„Djoeragan Lengser, aja tangara naon?”

„Kieu, batoer, dikoempoelkeun tea mah timbalan pangoeloe tandang, geura miang ka hoema geus meudjeuhna ngaseuk.”

„Rampes, rampes.”

Bloes ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser, geus langkep?”

„Langkep.”

„Geura hatoeran ka mas kabeureuh Indradjaja.”

Tjedok njembah, djoet toeroen.

Djoeg ka wewengkon Indradjaja.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Goesti sembaheun, geura miang ka hoema, geus meudjeuhna ngaseuk.”

Rigeug Indradjaja angkat djeung balana kabeh.

Datang ka hoema, kasampak katiga; ngadjentrong-djentrong ngareuak bareulah, montjor-montjor hoeloe.

Tjag, tjig, tjeg dadahoet pikeun mipoehoenan; tjeb mipoehoen, teu koengsi ngoekoes-ngoekoes atjan. Tamba henteu teuing, top njokot aseuk, der boemi [ 206 ]ditjotjogan; aseuk ngadjeboeg boemi, meledoeg.

„Goesti sembaheun koering, boemi ditjotjogan henteu teurak.”

Indradjaja ngawoerkeun bae, geledeg angin ngabantoean; tjoekoel binih katoedjoeh pasir, taneuh beulah geus datar pinoeh koe binih, breg tikoekoer saboengkoel, piït sapasir, bondol sabodjong.

„Itoe, Lengser, nahaon, tikoekoer toenggoe, bondol mondokan, piït meutingan; naha, Lengser, toengkoel tanggah?”

„Mapatkeun djampe, goesti.”

„Bala dewek, toeggoe hoema,
toenggoel djeungdjing mangka loehoer,
pikeunna tikoekoer toenggoe,
kihiang keur naga mojan.”

Geus parele, rigeug Indradjaja angkat katoet djeung balana sakabeh.

Djoeg ka nagara, gebloes ka padaleman sila pinoeh saroang, bidak kaloearan boemina sewang-sewangan.

„Mama Lengser, geus parele ngaseuk teh?”

„Pangoeloe tandang, geus parele, hoema oetama pisan, binihna toedjoeh bakoel, toedjoeh teleboeg, rek meh koerang binih, sakitna henteu koerang, sedeng meudjeuhna.”

„Koemaha hoema oerang sisi poetri boengsoe?”

„Pangoeloe tandang, bareto sakitoe, ajeuna sakitoe; bareto loetoeng doea birit, ajeuna loetoeng doea birit; ari njatjar tataekan bae wantoe loetoeng.”

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

XLII.

Neda agoeng nja paraloen,

neda pandjang pangampoera,
ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,
ngobah-ngobah noe keur tapa.

Tjatoerkeun di manggoeng, tjarita di kahjangan.

Soenan amboe teroes panon batan katja katingali salawasna, nagara djeung oerang sisi geus parele ngaseukna.

Saoer Soenan amboe ka noe geulis Girang tjandoli, kokolot parapohatji, tjandoli di kahjangan: „Indji, geura toeroen ka boeana pantjatengah pangasoehkeun hoema si-Oetoen.”

Indit ti pangtjalikan, loegaj tina patapaan, djoeg ka boeana pantjatengah.

Barang datang, ngeureunan palaj dina saoeng boeatan Kai Boedjangga. [ 207 ]Ngoengkoeng tjatjaloengan teroes ka manggoeng kabogoh parapohatji.

Toeloej djoet toeroen ti saoeng.

Djoeg ka pipoehoenan: „Indji deudeuh,

„oelah geder oelah reuas,
geura pasti nja ngadjadi,
Sang Pohatji mroehmoej poetih,
nja eta ngaran ing boemi.
Sang Pohatji teroes rarang,
aran pare keur soemihoeng,
Sang Pohatji rambat rarang,
ngaran pare bidjil akar.

„Liwat ti bidjil akarna, tepi datang ka djoemaroem:

„Sang Pohatji lentjop herang,
ngaran pare keur djoemaroem,
tepi datang ka toemoemboeh,
Sang Pohatji lentjop hoerip,
ngaran pare keur toemoemboeh,
poë deui pangling deui,
tepi datang ka tjoemanggah,
Sang Pohatji lenggang herang,
ngaran pare keur tjoemanggah.”

„Liwat ti tjoemanggah doea daoen ka tiloe poetjoek, medot mentol kaiboenan:

„lain mendot mentol ka iboen,
dewata ajoen-ajoenan,
lain dewata ajoen-ajoen,
asoeh ing poetjoek ing iboen,
Sang Pohatji lenggok maja,
ngaran pare keur koemala.”

„Liwat ti koemala tepi datang ka njeuweuna:

„Sang Pohatji pentjar hoerip,
noe miseuweu memeh reuneuh,
noe seda sindjang lakian,
ngaran pare eukeur njeuweu.”

„Liwat ti njeuweuna tepi datang ka mapak daoen:

„gelarna keur reuneuh laki,
Sang Pohatji naga gana,
ngaran pare reuneuh laki.

„Liwat ti reuneuh laki, tepi datang ka nerosna:

Sang Pohatji naga gini,
ngaran pare keur koemisi.

„Liwat ti koemisi tepi datang ka beukahna:

„Liwat ti beukahna tepi datang ka repat: [ 208 ]

Sang Pohatji dajang gana.

„Liwat ti repat datang ka toengkoel oemeusi:

Sang Pohatji dajang gini,
asoehan Teroesna wati,
nja pare toengkoel angeusi,
wawajangan Poerba sari.

„Liwat ti toengkoel oemeusi tepi datang ka beuneur hedjo:

pangraoenna beuneur hedjo,
daoen semboeng reudjeung hela,
daoen hela kembang awi,
daoen semboeng mangka moeloes,
kembang awi mangka hoerip,
daoen hela mangka wera,
kembang awi mangka hoerip,
geura beuntjing batan keusik,
geura beuneur batan beunjeur,
geura teuas ti haroepat,
Sang Pohatji tendjo maja,
ngaran pare beuneur hedjo.

„Liwat ti beuneur hedjo nepi datang ka beungbeurat sangga:

Pohatji pangdoerat sari,
ngaran pare beurat sangga.

XLIII.

Tjatoerkeun Sanghjang loetoeng.

Rek maling-maling ngalanglang hoema ti Poerba sari. Los ka leuweung, bjoer raksoekan dilaän, prak ngadapang di lawang saoeng; rek moedji pare sangga.

Poedjina Goeroe Minda:

„riring-riring rarang-rarang,
Seri koening soenan rarang,
Sang Pohatji mangprang-mengpreng,
Sang Pohatji halilingan,
Sang Pohatji hideung geulis,
ngaranna sia di goenoeng,
goenoengna di kahjangan,
di kahjangan goenoeng remoek,
remoek boekit pangemasan,
neda diajap-ajapan,
neda diaroeb-aroeban,
saking warna di sagara,
nja halis mihidji kasih,

[ 209 ]

mangka asih ka salaki,
mangka asih ka awak ing,
awak ing ramboet sadana.”

Sanggeus moedji Goeroe Minda Kahjangan, dianggo deui raksoekanana, djanggelek miroepa loetoeng. Toeloej ti pihoemaan, djoeg balik ka padaleman; tas maling ngalanglang hoema, tapakoer dina bale kantjana.

Keur meudjeuh ngeureunan palaj.

XLIV.

Tjatoerkeun di pihoemaän.

Noe geulis Pohatji Girang tjandoli, kokolot parapohatji, tjandoli di kahjangan, keur meudjeuh ngeureunan palaj.

Di pihoemaän hoedjanna meudjeuhna njigeug, halodo kasorenakeun, sirilik angin mamareng, tetenger ngonengkeun pare.

„Indji deudeuh:

Nji Pohatji Sanghjang Seri,
oelah geder oelah reuas,
sedjen deui noe ngasoehan,
Sang Pohaiji lenggok koening,
ngaran pare keur konengna.”

Terengteng balik Pohatji Girang tjandoli ka sawargaloka manggoeng.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

XLV.

Tjatoerkeun di manggoeng, tjarita di kahjangan,

Saoer Soenan amboe: „koemaha, indji, geus parele ngasoehan?”

„Geus parele.”

„Soekoer.”

Pangiwa dewata Wiroe manangga nabeuh kendangan manik kaboejoetan, tangara di kahjangan.”

Leut dewata opat poeloeh, pohatji opat poeloeh, boedjangga opat noe poerah poelang-anting.

Toeloej ngitoeng-ngitoeng sandi tahoen, ngetang-ngetang sandi boelan, neangan patitis gelarna di poë soekla.

„Indji, sia dideukeutkeun tea mah, noe geulis Girang tjandoli, kokolot parapohatji, geura djoengdjoengkeun seuweu ratoe, geura djajak poetra radja, geura [ 210 ]pangnoeroenkeun njawenan, rek mapag naga koedoe saider ing naga; pada-pada pangnoeroenkeun mangka nastiti tarapti, diangir mandi, diminjak aja rengoe saeutik, oelah ditoeloejkeun, koedoe njalindoengkeun semoe, bisa njoesoempingkeun, koedoe poelang papanganten kala poë harita.”

„Tarimakeun parapohatji meunang ngitoeng sandi tahoen, meunang ngetang sandi boelan. Windoe miloe ka tahoen, tahoen ka boelan, boelan ka poë, poë ka daoeh, daoeh ka saha, daoeh ka oerang: pikir opat djadi doea, pikir doea djadi hidji sarta tatjan sakitoe, oelah waka toeroen, ari geus kitoe teroes djeung parapohatji. Ari geus kitoe mah, geura toeroenan dewata reudjeung parapohatji, djeung boedjangga, toeroenan di poë boeddha, mangka beunang diandeulkeun.”

Toeloej taroeroen dewata reudjeung parapohatji, t”roes djeung paraboedjangga.

Sanggeus toeroen, djoeg ka boeana pantjatengah ka pihoemaan Poerba sari.

Noe geulis Girang tjandoli toeloej dadahoet keur njawenan, soelangkar reudjeung simpeureum,

hoeöet boeroek ese kapas,
tjaroeloek djeung daoen kaoeng,
katoet djeung oërna pisan,
miniiti arek njawenan,
mimiti njangreudanana,
tjanggreud hareup mangka sieup,
dibeulitan koe pamilih,
toeloej ngoerilingan pisan,
ngoeriling ider ing naga,
neundeunan esena kapas,
hoeöet boeroek djeung tjaroeloek,
daoen kaoeng oër pisan,

„Pohatji Sang Kama seda,
Pohatji Sang Kama sakti,
oelah hamo pangngoempoelkeun,
oelah hamo mangpoeloengkeun.”

„Si-indji, Sanghjang Asih, bisi katinggaleun sarintji saese:

„ditempoehkeun ka noe ngoempoel,
moengpoeloeng ka lemboer loeöek,
margana sarta ti lemah,
ngoelina ngaranna tengah,
hoemana atji koelina,
di aing enggeus parele.”

Njawenan reup peuting, braj beurang, datang ka poë patitis, gelaran di poe raspati, toeloej noeroenan; prak njieun paroepoejan.

„Boel koekoes aing ka manggoeng,
ka manggoeng ka Sang Roemoehoen,

[ 211 ]

ka Sanghjang Batara Goeroe,
ka handap ka Sang Noegraha,
ka Batara Naga radja,
noe aja di paniïsan,
moela-moela ing tjandana,
ka Basoeka ka Basoeki;
oelah hamo pangneroeskeun,
koekoes aing menjan poetih,
ka Pohatji dewi poetih,
mangkana teroes ka manggoeng,
ka manggoeng neda papajoeng,
kana emas pajoeng larang,
kami rek ngala pihape,
arek mihape tatanen,
ka Nini Bagawat Sangsri,
ka Aki Bagawat Sangsri,
noe ti kidoel eggeus metoe,
noe ti koelon geus ngadago,
noe ti kaler geus ngarendeng,
ti wetan enggeus ngadjadjar.

Di toenggoel geulis, di tangkal asih, misaloempit gading, mitangkal emas:

midaoen salaka ngora,
miboeah emas ranggeujan,
poeah wela, poeah weloe,
Sang Pohatji reka maja,
awak ing noe mipit soekma,
noe dipipit soekmana Sri,
nja aing atji koelina,
aing lagajang-lagajang

„Indji deudeuh, nja di dieu pigeusaneun sia, oelin di ,pohatji boekit omas’ aran pipoehoenan.”

Toeloej ngala poë pisan,
toeloej miboeatan pisan,
tatjan ngempol geus teu mahi,
lahanna toeloej ngadadak,
toeloej mebekan ka sisi,
toeloej bae dikempolkeun,
toemoeloej ngoempoelkeun pisan,
Sang Pohatji troes patala,
Pohatji reka patani,
kakoempoelkeun mingpoeloengkeun,
lemboer loeöek Margadanti,

[ 212 ]

ka lemah koelitna atji,
njata koelitna di aing,
toempoekan sedeng meudjeuhna,
sangkilang mebek ka sisi.

Sanghjang loetoeng toeloej ka leuweung, kasampak geus ngaderak dewata djeung pohatji troes djeung Kai Boedjangga.

„Oetoen, kami rek amit balik ajeuna, da geus parele dewata djeung pohatji, kami rek amit balik.”

„Owah, ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,

ngobah-ngobah noe keur tapa,
neda pangampoera bae.”

Terengteng balik ka sawarga loka manggoeng.

Tjek saoer Soenan amboe: „geus parele pagawean si-Oetoen?”

„Geus parele diboeatna, kari noempoek moë bae.”

XLV.a

Tjatoerkeun di boeana pantja tengah.

Kari noempoek moë bae. Datang ka parele doea poë, tiloe poë, datang ka opat poë mimiti rek meresan. Sanghjang loetoeng rek maling-maling meresan ti Poerba sari. Los ka leuweung, bjoer raksoekan dilaän, prak ngadapang di lawang saoeng, rek moedji pare beungbeurat sangga.

Poedjina Goeroe Minda:

„Indji deudeuh:

Nji Pohatji Sanghjang Sri,
geura singit nja dikendit,
geura beres mangka roës,
geura papak mangka moendak,
dipoelas koe ,naga poeket,’
nja eta ngaran ing tapih,
nja noe meres nja soekmana,
nja noe diberes soekmana,
atji koelitna nja aing.”

Geus dipoë beunang meres, toeloej digeugeus:

„Amboe Pohatji Sanghjang Sri,
geura njamping soetra poetih,
bahaneun loenggoeh ka bagoes,
bahaneun loemende kasep,
Sang Pohatji doengkoek poetih,
kieu ngaran lalakina,

[ 213 ]

noe poetih kasep sorangan,
geura singit samping poetih,
bahaneun loenggoeh ka ajoe,
bahaneun linggih ka geulis,
Sang Pohatji doengkoek larang,
noe larang geulis sorangan,
kieu ngaran awewena.”

Geus parele ngageugeus amboe djeung sakabehna.

XLVI.

Tjatoerkeun di manggoeng, katjarita di kahjangan.

Soenan amboe teroes panon batan katja katingali salawasna, geus parele ngageugeus amboe djeung sakabehna.

Saoer Soenan amboe: „Kai Boedjangga toea, loeloegoe ing boedjangga, geura toeroenkeun piwadaheunana.”

Satoedoeh metoe, sakedap netra, sadjiadna tinoeroetan sakersana tjatjap bae. Ti loehoer lemboet datang ka handap badag; tes, djleg leuit toedjoeh ngabandoeng, tatjan ditembongkeun ka Poerba sari.

„Ngitoeng-ngitoeng sandi tahoen,
ngetang-ngetang sandi boelan,
neangan poë panganten,
gdarna di poë soma,
toeloejna prak dikoekoesan,
rek ngadjajak amboe pare,
ditjokot ti paboearan,
toeloejna dikoerilingan,
Sang Pohatji doengkoek poetih,

hajoe moelih!

Sang Pohatji doengkoek larang,

hajoe poelang!

da geus datang ka mangsana,

poma sarintji saese,
oelah arek katinggaleun.”

Datang ka karang leuit dikoerilingkeun, datang ka patepoeng gelang: „Sang Pohatji doengkoek poetih, Sang Pohatji doengkoek larang, tjoeang ngeureunan palaj di Pohatji andjoeng rarang, ngaran karang leuitna.”

„Sang Pohatji doengkoek poetih,

geura linggih,

Sang Pohatji doengkoek rarang,

geura tjalik,

di Pohatji gedong manik tampa emas.”
[ 214 ]

Geura woewoeh mangka toewoeh,
geura pepek mangka langgeng,
anoe netepkeun soekmana,
noe ditetepkeun soekmana,
pohatji koelitna aing.”

Neut geura baralikan datang lalaoenan si-indji bisi kageteun.

Loenta baralikan, datang ka daoehna ka karang leuit noe ngaloeng maneh bae ngentepkeun maneh.

Enggeus opat pasir kari tiloe pasir, doea noe geura baralik deui.

Neut dibaralikan datang ka karang leuit ngaloeng manehna deui bae ngentepkeun manehna.

Sakeudeung paragat anggeus; sarintji saese taja katinggaleunana, tjatjap ka soehoenan, teu montjor meong-meong atjan.

Tjatoerkeun pangiring boekti.

Pangnjiptakeun wawadahan, sabrang, djagong katoet hiris, koekoek, waloeh sakabehna.

Neut, geura baralikan, datang lalaoenan, si-indji bisi kageteun. Geus boekti djeung pangiringna? Ti heula pangeusining goah, said, njiroe, boboko, ajakan soemboel, tetenong, seëng, aseupan, daloeng, pabeasan pandeurina katoet djeung pakara ninoen sakabeh; anggeus, geura baralikan, datang lalaoenan, si-indji bisi kageteun.

XLVII.

Tjatoerkeun Kai Boedjangga.

Kai Boedjangga tas ngopenan pare di pihoemaän kagoengan Mas Poerba sari.

Djoeg balik ka padaleman poetri boengsoe, ser njampeurkeun loetoengna.

„Pedah dipertjaja nganjahokeun pihoemaän, ngadjoengdjoengkeun Oetoen; geus parele, kami arek amit balik.”

„Ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,
ngobah-ngobah noe keur tapa,
neda pangampoera bae.”

„Oetoen, oelah rea kasaoeran, mo hedjo lalakon, mo rambaj tjaritana, moen teu koe amboe koe sadoeloerna.”

Terengteng balik boedjangga ka sawarga loka manggoeng, boes ka panoenggoean, ka patapaan.

Tjek Soenan amboe: „koemaha, ngadjoengdjoengkeun seuweu ratoe ngadjajak poetra radja katanian si-indji?”

„Parele.”

„Soekoer, Ki Boedjangga.” [ 215 ]Keur meudjeuh ngeureunan palaj.

Tjatoerkeun di boeana pantjatengah.

Poetri boengsoe leuit toedjoeh ngabandoeng geus kanjahoan, dikarang bae sakoer pangiring boekti, geus ngoendoeng-ngoendoeng sasoegrining pangeusi goah, geus pepek kabeh tjiptana Kai Boedjangga sarta paradewata.

Reup peuting Poerba sari sare tibra pisan, satengah disirep koe boedjangna loetoeng, rek ditoeroenan piwoeroek.

XLVIII.

Neda agoeng nja paraloen,
neda pandjang pangampoera,
rek ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,
rek ngobah-ngobah noe keur tapa.

Tjatoerkeun di manggoeng, tjarita di kahjangan.

Soenan amboe teroes panon batan katja katingali salawasna, geus parele ngageugeus amboe djeung sakabehna.

Indit tina pangtjalikan, loegaj tina patapaan. Sakedap netra, djoeg ka boeana pantjatengah, Poerba sari kasampak keur sare tibra. Ditoeroenan koe Soenan amboe tengah peuting: rek tjitjing di toendjangeun koe si-indji bisi kadoepak, si-indji bisi tjilaka; tjitjing digigireun koe si-indji bisi kagedoeg, si-indji bisi boentoeng; toeloej tjitjing di siraheunana rek ngawoeroek di pangimpian.

„Indji deudeuh, reungeukeun talatah amboe, geura tarik nja impian. Diwoeroek soteh sia lajaran, amboe mah teu boga djampe ngawoeroek soteh pamake, indji, tjatjap ing tatanen.”

„Karang leuit oenggal poë soekla disapoean, bilik lepit ramatan alaän roeedeun parapohatji. Leuitna aja ngaranna Pohatji gedong manik tampa emas:

tihang tengah: Pohatji naga langgeng,
pananggeujna: Pohatji tanggeujan djati,
bilikna: Pohatji dingdingan djati,
pantona: Pohatji ineban djati,
sipandakna: Pohatji adegan djati,
taradjena: Pohatji rantajan djati.”

„Indji deudeuh, reungeukeun talatah amboe, isoekan djaganing pageto lamoen dek anak-anak.”

„Oenggah leuit boedak tjeurik tjombo heula, teu beunang ditjombo patjoean digitik, anggoer dibawa, tarimana parapohatji ka kami-kami koe eman geuning anakna digitik.”

„Rek oenggah leuit toedjoeh lengkah mepet napas, soekoe katoehoe ti heula; rek nanggeuhkeun taradje, hajam kokotak gebahkeun, said nangkarak tangkoebkeun; [ 216 ]mantjatna kana taradje, soekoe katoehoe ti heula.”

„Braj moekakeun pantona barang mantjat:
„Indji deudeuh,

Nji Pohatji Sanghjang Sri,
tjoendoek amboe datang ajah,
djaridji anoe nanghikeun,
indoeng leungeun noe netelkeun,
digoesoer mangkana woewoeh,
dikandar mangkana nambah,
djajak doea datang tiloe,
djajak tiloe datang opat,
djajak opat datang lima,
djajak lima djol saladjer,
loemadak arek ngadjajak,
lamoen opat opat sangga,
lamoen doea doea sangga,
tjatjap ing tas oenggah leuit.”

„Loemadak rek noetoe patjoean rek noetoe sore.

„Oelah rek digeloeng djoetjoeng, nja samping djangkoeng ka lisoeng, kasieun parapohatji.”

„Noetoe toedjoeh ketoek mepet napas, oelah wara ngendor, kageteun parapohatji.”

„Oelah rek ngetroekeun biwir boboko dina lisoeng, kasieun parapohatji.”

„Oelah noenda beas dina lisoeng, rarangan parapohatji.”

„Oelah rek nabeuhan lisoeng, rarangan amboe.”

„Lisoengna Pohatji sarowong djati, hoeloena Pohatji adegan djati.”

„Mangkoe beas entas noetoe,
oelah rek molongo panto,
nja eta rarangan amboe,
ari geus datang ka imah,
beas geura boel koekoesan,
rek ngadioekkeun pohatji,
Nji Pohatji Sanghjang Sri,
geura tjalik mangka singgih,
geura woewoeh mangka toewoeh,
geura pepek mangka langgeng,
di Pohatji gedong larang,
ngaran pabeasanana.

„Njioekna amboe mah djangdjawokan bae:

„seok denok langgeng pasang,
Sang Pohatji mana reka,
noe tani sadjero beas,
enja tarima njioekan,

[ 217 ]

nja keusik sisi basisir,
orot tjotjokotan aing,
moen henteu mah henteu bae.”

„Njomot tina isikan kana pabeasan, sok noe tetel sok noe kandel, sarerea noe nambahan atji koelitna di aing.”

„Tjatjaping njioek beas patjoean ngisikan memeh mandi, ari ngisikan memeh mandi pangatjian leok palid, mana koedoe geus mandi; ari geus mandi kabawa deui ka imah.”

„Datang ka imah miroen seuneu, oelah sok boeda-boedi, dipatimoekeun teu geura teurak, los leumpang, bisa bidjil semoe hoeroeng, ari datang sedek teurak.”

„Soeloehna aja ngaranna: Pohatji roentoejan djati,

seuneuna: Pohatji lenjap herang,
parakona: Pohatji leukeuran djati,
hawoena: Pohatji doengkoekan djati,
seëngna: Pohatji danoe mawoe,
aseupanana: Pohatji koekoesan djati,
doelangna: Pohatji talaga djati,
toeroeb doelangna: Pohatji pamajoeng sari,
ari kedjona Pohatji djoengdjoengan sari.”

„Tjatjap ing imah-imah, patjoean ngeboetkeun samping banget teuing, oelah rek mebekkeun daoen di goah matak kasieun parapohatji.”

„Isoekan djaganing pageto, loemadak anak-anak boedak tjeurik, patjoean oelah dipanggebragkeun sare, oelah ngagitik boedak koe samping koe badjoe.”

„Tjatjap ing tatanen, ditanja koe pada kantja, oelah rek madjar leuih, nja eta rarangan amboe.”

„Doemadak rek molah:

kapas aja ngarana Pohatji oelesan djati,
hindesanana: Pohatji gilingan djati,
petengna: Pohatji palengkoeng djati,
tjetikna: Pohatji kaitan djati."

„Meunang meteng: Pohatji sang tjemoet poetih.”

„Meunang ngagelenganana: Pohatji sang lempaj poetih,

kintjirna: Pohatji penitan djati,
kisi kosongna: Pohatji salongsong gini.”

„Geura gilig djadi hidji,

diïring koe Banaspati,
eusi-eusian Pohatji,
Pohatji gorolong djati,
nja dingaran lawajanna,
Pohatji sampajan omas.”

„Neundeun kanteh meunang mendat,

Pohatji ringkdan djati,

[ 218 ]

nja di dieu geusan sia,
betah di pandita sia.”

„Pohatji maja poetih, dewata kanteh bodas,

Pohatji maja koening, pangatjian kanteh beureum,
Pohatji irengan djati, pangatjian kanteh hideung,
Pohatji naga paneteg, pangatjian pranti njitak,
Pohatji lokatan djati, ngaran sikatna,
Pohatji ideran boeana, ngaran oendarna,
Pohatji naga pamoengkes, pangatjian koelakanana,
Pohatji leusan djati, ngaran paletna,
Pohatji hambalan djati, ngaran pihaneanana.”

„Oelah rek noenda hasiwoeng sapotong kasieun parapohatji, rarangan amboe. Djeung deui, bangga tapana, lain tapa koe teu madang, oelah madjar: tjangkeul, sangeuk, geus teu radjeun sok tinggalkeun, geus radjeun, top deui njokot, ngan sakitoe tapana.”

„Gedoganana: Pohatji adegan djati,

tegelna: Pohatji rangsangan djati,
galegerna: Pohatji gereleng herang,
karapna: Pohatji rantajan djati,
barerana: Pohatji paneteg djati,
limboehanna: Pohatji goelingan djati,
hapitna: Pohatji inditan djati,
toropongna: Pohatji rongsongan djati,
tjaorna: Pohatji lajaran djati,
soembina: Pohatji pingitan djati,
soerina: Pohatji ringgit maja.”

„Indji deudeuh, reungeukeun talatah amboe, isoek djaganing pageto tataning noe imah-imah:

kaseuri datang ti tjai,
kaimoet datang ti lisoeng,
kasomeah ka pada djalma,
parek redjeki djaoeh balai."

„Sakitoe-kitoena.”

„Soenan amboe amit balik?”

Terengteng datang ka sawargaloka manggoeng, bloes ka panoenggoean, blas ka patapaan; keur meudjeuh ngeureunan palaj.

Braj beurang di boeana pantjatengah, koelisik poetri noe oesik, kodjengkang poetri noe hoedang; reg ngahoeleng, ngadaweung ngaboentel tineung.

„Soehoenan pamadjikan, reuas, ngahoeleng djiga noe poendoeng?”

„Lain poendoeng, ras ka impian.”

„Ngimpi naon?” [ 219 ]„Ngimpi diwoeroek tingkah pari-polah, pantrang, pamalina, paratimpoeh imah-imah.”

„Timoe?”

„Timoe”

„Soekoer moen timoe mah, nja eta anoe hade tina pangimpian.”

„Pake hoelang-hoeleng tea mah deungdeuleuëun keneh koe geulisna, sangkilang dina pangimpian.”

Loetoeng mesem teu wangsoelan.

Soegih moekti rea boekti,
beurat beunghar rea banda,
harita tjan boga bala.

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,

toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

XLIX.

Tjatoerkeun di nagara.

Noe goreng boedi ti leuleutik,
goreng toeah ti boeboedak,
oerat ngentjeng dina tarang,
pangaroeh djelema bedang,
taja batan Poerba rarang.

Rek miheulaan timbang kapiheulaan.

„Mama Lengser, geura njieun leuit, bisi kapiheulaan.”

Noen, pangoeloe tandang, soemangga.”

Tjedok njembah; indit ngoesap birit, angkat ngoesap sindjang.

Djoeg ka aloen-aloen, top njokot pamoekoel bende, der nabeuh tangara.

Leut ti kidoel tjoekoel, ti kaler leber, ti koeion metonan, ti wetan daratang.

„Djoeragan Lengser," tjek kokolot nagara orokaja gantjang nanja, „tangara naon?”

„Timbalan pangoeloe tandang dikoempoelkeun batoer djenoek, bala rea; tjoeang dirempoeg njieun leuit, tihang tjagak, hateup silangkob. Kolong leuitna oelah teoh teuing, tiap meunang njara, meunang ninoen; sakeudeung paragat anggeus.”

„Rampes, rampes.”

Boes deui ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah. [ 220 ]„Djisim koering dikarsakeun njieun leuit; geus parele.”

„Geus parele, Mama Lengser, geura hatoeran ka mas kabeureuh Indradjaja.”

„Toeang, koering teu lambat ngadeuheusan, amit indit?”

Tjedok njembah, djoet toeroen.

Bias ka pangtjalikan Indradjaja.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Noen, goesti sembaheun, geus meudjeuhna, miang noeroenan.”

„Rampes djeung si-dewek.”

„Rigeug noe angkat miang: bral koering pandeuri, koering ngiring sakabeh; sadjongdjongan djoeg ka pihoemaan.”

Tatanen Indradjaja ajeuh reana, ajeuh neangan barajana tangkal perang, boeah gambrang tatanen Poerba rarang.

Mana tatanen teu bagdja aran sibaha ka radja, oelah teu tarapti teu ngoekoes-ngoekoes atjan.

Lengser noe ngadjoengdjoengkeun: „goesti sembaheun, koemaha pihadeanana?”

Wangsoel Indradjaja: „geura aritan djeung djaramina bae.”

Berebet pada ngararitan djeung djaramina, ngakoet sakalian.

Tjek si-Lengser: „mo miloe ngakoet, keur masinikeun noe diboeat, bangkala ngakoet mihaloe djeung rantjatanana. Bias noe ngakoet datang ka karang leuit, gebloeg dialoeng djeung rantjatanana; prak kasimpak salajan, ka djero salajan, ambrih pinoeh katembong.

L.

Tjatoerkeun deui di hoema.

Toengkoel oemeusi, beuneur hedjo, noe boeroekeun noe meudjeuhna; taja noe ditinggal kaparentah si-Lengser.

Indradjaja teu njaho ditatanen, noeroetkeun Lengser bae.

Lengser noe ngadjoengdjoengkeun sakeudeung paragat anggeus, diakoet djeung djaramina, leuitna gila koe anggon kagoenganana Poerba rarang katoet djeung pangiringna pisan. Koekoek, waloeh djeung roengkoenna, katjang, roaj djeung toeroesna, sabrang, terong djeung dapoeranana, brek dikaleuitkeun; sapangiring boekti sapangeusining hoema, taja noe ditinggalkeun tatanenna Indradjaja.

„Lengser noe didjoengdjoengkeun geus ngalenang-ngalening.”

„Noen, goesti sembaheun, geus parele tatanen oerang.”

Rigeug Indradjaja, bral koering ngiring pandeuri bala sakabeh.

Sadjongdjongan, djoeg ka nagara, bloes ka padaleman, prak sila pinoeh saroang bidak kaloearan boemi sewang-sewangan.

„Lengser geus parele masinikeun bala.”

Gebloes ka padaleman Poerba rarang.

„Djisim koering amit hatoer, toeang koering dipiwarang nganjahokeun tatanen [ 221 ]pangoeloe tandang, nja geus parele.”

„Koemaha tatanenna oerang sisi, noe Poerba sari, djeung noe oerang?”

„Biheung ngadjadi, biheung henteu.”

„Noe oerang sisi mah hoemana sabirit loetoeng, pakarangna koedjang boentoeng:

pake njatjar pake ngored,
da henteu boga pakarang,
pakarang pamahan oerang,
waktoe boengsoena diboeang.”

„Soekoer, Mama Lengser, toeloes kateukteuk tilas adeganana djeung boedjangna loetoeng?”

Enja toeloes.”

„Soekoer, Mama Lengser, meureun geus diboeat. Mama Lengser, pariksakeun bae ka pipir goenoeng, saroea henteuna djeung noe oerang, leuit katoet eusina geus karoehan. Bari merih pati torta gawe pangeunah-geunah olahan, sarta parea-rea samping, papandjang-pandjang kasang.”

„Soemoehoen darma panjaoer, tarima ti pangandika, djisim koering amit moendoer, teu lambat ngadeuheusan.”

Tjedok njembah, indit ngoesap birit, angkat ngoesap sindjang, bisi kawiwirangan keur ngawoela.

Djoet toeroen:

katjatjang kolear angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag nja ngalangkah,
metoe lawang mandjing lawang,
metoe di lawang pingpitoe,
datang ka lawang pingsanga,
dangdeung ka paseban ageung,
djoeg asoep ka aloen-aloen,
bias datang ka lawang loear,
medal di lawang saketeng,
koelantoeng toeroet loeloeroeng,
loeloeroeng tiloe ngabandoeng,
kaopat noe keur disorang,
kalima heuleut-heuleutan.

Djoeg ka pipir goenoeng, bias ka padaleman.

„Da halal, noen toeang, koering amit ngadeuheusan, noe kagoengan padaleman aja tjalik?”

„Aeh, koetan Mama Lengser, sok karoenja teuing, moen beurang teu loepoet datang, moen isoek teu loepoet tjoendoek. Mama lengser, rampes, tjalik.”

„Bagea noe tjalik.”

Parapat moeatkeun sembah. [ 222 ]„Mama Lengser,” orokaja gantjang nanja, „reuas pabaoer djeung sieun, teu dihatoeranan lemareun djiga kitoe geura, teu pindo gawe geurana mah. Geura, rampes pariksakeun, Mama Lengser, na tjoendoek dipioetoes, na datang dipiwarang, na kita niat sorangan. Noen, rampes pikonokeun, soemangga pikersaeun.”

„Noen, ratoe emas, tjoendoek dipioetoes, datang dipiwarang, ngemban pangandika ti nagara miwah ka toeang karsa, dipiwarang mariksakeun lakoening leuit, anggona djeung hanteuna pasti djeung eusina, saroea henteuna djeung noe kami?”

„Pasti ti mendi, oetama ti mana da boeboeatan loetoeng boh boeatan djalma; amit mariksakeun bae da teu dirarangkeun.”

Tjedok njembah, djoet toeroen.

Koelantoeng dina karang leuit toedjoeh ngabandoeng dipariksakeun, dikaloehoerkeun dikateohkeun: ,apan boeatan loetoeng, ning eta hade ti batan boeatan djalma.’

Orokaja dilongok lawang leuitna bisina eusina djarami: ,batan kami tjatjap eusina ka soehoenan, teu montjor meong-meong atjan.’

,Djeung deui pare roepana aloes, dingarankeun pare aloes, geugeusan gila koe teges, djeung deui pare eusian, bisa temen tatanen loetoeng teh.’

Toetas pariksa, bias ka padaleman ka hareupeun Poerba sari.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser, koemaha noe kami djeung noe teteh?”

„Boeatan loetoeng ning eta leuit toedjoeh ngabandoeng eusina tjatjap ka soehoenan djeung deui pare aloes.”

„Koemaha dingarankeun pare aloes?”

„Pare eusian, bangkala pare nja eusian.”

„Koemaha toeang kagoengan si-teteh di nagara?”

„Ratoe emas, kagoengan toeang raka dihatoerkeunana anggon, ka rama teh djiga ranggon, dihatoerkeun pasti eusina djarami, toewoeh, koekoek, waloeh djeung roengkoenna, katjang, roaj djeung toeroesna, sabrang, terong djeung tangkalna, sapangeusining hoema sakabeh diasoepkeun kana leuit.”

„Djeung deui, ratoe emas, langkoeng ti dinja diperih pati torta gawe, pangeunah-ngeunah olahan, parea-rea samping, papandjang-pandjang kasang; lamoen teu roepa, diteukteuk beuheung tilas adegan katoet djeung boedjangna loetoeng; kitoe ge tjek timbalan.”

Poerba sari regoek tjeurik.

„Mama Lengser, oendoer, basa boedak keneh. Teu diwoeroek, dipitoetoeran koe teteh, samping ti mendi, kasang ti mana rampes, njerahkeun beuheung teukteukeun, tilas adegan; lega beurang, lega peuting patina si-adi da teu bisa njieun kasang njieun samping.”

„Teu kangkat djisim koering ngakampoeng ratoe mo bisa balik, tatjan meunang wekasan.”

Poerba sari dengdek ka boedjangna loetoeng.

„Oetoen, geura oendoer: [ 223 ]

geura oendoer peungpeung djaoeh,
geura leumpang peungpeung anggang,
noengtik goenoeng anoe singkoer,
neangan mandala singkah;

teteh bala hareupan, poendoet poenden ti nagara taja anggeusna. Rek wawangsoel gila koe soendoel, popojan gila koe tjahja. Oetoen, koemaha, piwangsoelaneun?”

„Soehoenan pamadjikan, oelah haliwoe koe sakitoe, pasinina mah koemaha tjek kami, geura pok rampesan bae.”

„Mama Lengser, ari sanggoep bisi loepoet, ari tanggoh bisi poös, samping, kasang mah teu boga bisi dingarankeun teu ngawoela, kitoe ge ditanggohan koe boedjang loetoeng.”

„Djisim koering padoe meunang wekasan, djisim koering amit moendoer, teu lambat ngadeuheusan.”

Tjedok njembah djoet toeroen:

balik gasik leumpang gantjang,
teu dibilang di djalana,
dibilang datangna bae.

Djoeg ka nagara, bias ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser,” orokaja gantjang nanja, „diperih pati samping djeung kasang, djeung olahan?”

„Dirampesan, ditanggohan koe boedjangna loetoeng.”

„Mangkara loetoeng bisa njieun samping, njieun kasang, toeloes kateukteuk beuheungna tilas adegan katoet djeung noe boedjang ketengan.”

„Toeloes.”

„Soekoer.”

Lengser keur meudjeuhna ngeureunan palaj.

LI.

Tjatoerkeun di pipir goenoeng.

Poerba sari tjeurik leutik sasakitan.

„Koemaha, nja Oetoen?”

„Soehoenan pamadjikan, oelah redjag, oelah reuas da kasang, samping teu boga; geura ngoekoes toekangeun imah, geura moedji bae bari ngoekoes.”

„Oetoen, koemaha moedjina?”

„Djangdjawokan bae: „dewata doeloeran aing.”

Koelinting ka toekangeun imah, boel ngoekoes:

„dewata doeloeran aing,
neda agoeng nja paraloen,

[ 224 ]

neda pandjang pangampoera,
rek ngoesik-ngoesik noe tjalik,
ngobah-noe keur tapa.”

Tjatoerkeun di manggoeng, tjarita di kahjangan.

Saoer Soenan amboe ka noe geulis Pohatji Wiroe manangga, madjar ka pangiwana: „Wiroe manangga, geura nabeuh kendangan manik kaboejoetan, tangara di kahjangan, si-Oetoen geus datang kongkonan, geus moeles kana pangamboeng, kongkonan si-Oetoen kingkila soesah gede.”

Der nabeuh kendangan manik kaboejoetan tangara di kahjangan; leut dewata opat poeloeh, pohatji opat poeloeh, boedjangga opat.

„Indji sia dideukeutkeun tea mah, aja kongkonan si-Oetoen geus moeles kana pangamboeng, si-Oetoen kingkilaning aja kasoesahan, nanja ka dewata, nanja ka pohatji teroes ka Kai Boedjangga: oerang mana malah beurang peuting si-Oetoen bisi aja kakoeranganana.”

„Wangsoel Kai Boedjangga: „ari tjekelan awak ing geus tjatjap, sedja mo ngilapkeun paradewata sakabeh, orokaja ngarempoegkeun tjoeang djoengdjoengkeun seuweu ratoe, djajak poetri radja da kapalang, oerang geus sanggoep.”

Tjek Soenan amboe: „Indji, geura ngawadahan samping sawidak lima, kasang toedjoeh laboehan.”

Diwadahan koe toropong samping sawidak lima, kasang toedjoeh laboehan.

„Djeung deui, geura njieun boboreh, mangka ati-ati meunang satjoepoe; ari olah-olahan doeöeman Kai Boedjangga.”

„Indji, geura toeroenan bawa kasang reudjeung samping djeung boboreh satjoepoe; geura toeroenan, indji, geura bandingan si-Oetoen, nanging eta oelah nembongkeun ka si-indji, nembongkeun ka si-Oetoen bae.”

Indit tina pangtjalikan,
angkat tina patapaan,
Pohatjina maja agoeng,
Pohatjina maja santen,
Pohatjina maja rarang,
Pohatjina maja endah,
Pohatjina maja leuih,
Pohatjina maja dewata.

Tjatoerkeun Pohatji Wiroe managga.

Sadjelat djoeg ka boeana pantjatengah, kasampak Poerba sari tjeurik leutik sasakitan.

„Koemaha oerang nja Oetoen?”

„Tjek kami oge geura moedji bae, ka mangkara miroepa mah ngan tiba soeker bae.” [ 225 ]

Tjag:

teundeun di handeuleum sieum,
toenda di handjoeang siang,
paranti njokot ninggalkeun.

LII.

Tjatoerkeun di nagara.

Saoer Njai Mas Poerba rarang ka si-Lengser: „Mama Lengser, geura nakol bende ageung kaboejoetan koempoelkeun batoer djenoek bala rea.”

„Noen, pangoeloe tandang, soemoehoen darma panjaoer ti pangandika, amit indit, teu lambat ngadeuheusan.”

Tjedok njembah, djoet toeroen.

Geledeg loempat, top njokot panakol bende, der nabeuh tangara, bende ngoengkoeng saraoengoen tangara di djero nagara. Leut ti kidoel tjoekoel, ti kaler leber, ti koelon metonan, ti wetan daratang.

„Djoeragan Lengser, koering reuas pabaoer djeung sieun, aja tangara naon?”

„Aja tangara ti nagara. Ngandika pangoeloe tandang teroes djeung mas kabeureuh Indradjaja, koering sakabeh, tjek timbalan, tjoeang dirempoeg njieun olahan, olah djantoeng diaseuman koe tongtolang, reang sabrangna djenoek ladjana, ambrih lekoh katembongan mangka njaian oetama, di nagara meuleum waloeh sahoeloe mangka djadi saboekoer.”

Parasikepan sakeudeung paragat anggeus; brak geura tareundeunan saenggon-enggonna. Geus parele lakoening olahan.

„Tjoeang dirempoeg ngadjoengdjoetan njieun kasang, samping.”

Merebet dirempoeg ngadjoedjoetan; tjajap ing ngadjoedjoetan:

dirempoeg ngahindesan;
dirempoeg meteng;
dirempoeg milihan;
dirempoeg ngagelengan;
dirempoeg ngantehan.

Tjatjap ing ngantehan:

dirempoeg ngalawajan;
dirempoeg mendatan pisan;
toeloej njeuseuhan,
toeloej ngoeloeban pisan;
toeloej ngadarihan,
toeloej njikatan.

Geus parele njikatan:

mihane moendatan pisan,
njoeroepkeun ngaliar pisan.

[ 226 ]Tjatjap ing ngaliar:

narikan ngarere,
morobot ninoen.

Sot koe ieu, top ieu, djenoek batoer rea bala; sakeudeung paragat anggeus.

Samping tiloe poeloeh, kasang tiloe laboehan direndengkeun saroea loehoer oenggoelanana. Parele samping, kasang, olahan geus miroepa, Lengser gebloes ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Noen, pangoeloe tandang, djisimkoering dikarsakeun njieun kasang njieun ka toeang koering sakabeh, geus parele njieun kasang njieun samping, olahan geus miroepa sakoemaha pikersaeun.”

„Soekoer, Mama Lengser, ajeuna geura pepekkeun Djaksa di paseban.”

„Rampes.”

Keur mepekkeun Djaksa, tjek Djaksa madjar ka si-Lengser: „kami kaget, reuas pabaoer djeung sieun, dikoempoelkeun digentak-gentak.”

„Djisim koering tatjan meunang wekasan pikersaeun, nanging eta, Djaksa, koedoe pepekan bae di paseban, tatjan karoehan pikersaeunana.”

Boes ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser," orokaja gantjang nanja, „koemaha, pedah dikersakeun mepekkeun Djaksa?”

„Djisim koering pedah katimbalan, geus tjatjap pisan, ngaloentakeun kasaoeran ka toeang koering sakabeh sarta ka Djaksa pisan, ajeuna geus pepekan, poen Djaksa ka djisim koering pedah dipilengser njoehoenkeun wekasan.”

Kasaoeran Poerba rarang: „ari geus parele mah, soekoer. Geura dikongkon ka pipir goenoeng mariksakeun meunang merih pati lakoening samping djeung kasang djeung olahan na roepa, na henteu. Lakoening samping, kasang, olahan koedoe kairingkeun bae, lamoen teu beunang ditoeroenkeun, bawa gagantingna bae.”

„Noen, pangoeloe tandang, soemoehoen darma panjaoer, tarima ti pangandika, nja toeang koering rek amit moendoer.”

Tjedok njembah, djoet toeroen.

Katjatjang kolear angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag noe ngalangkah,
nja angkat di geura-geura,
geura soteh ning oetama,
angkatna diage-age,
age soteh ning parele,

[ 227 ]

ngaboeroe gawe noe gede,
metoe lawang mandjing lawang,
metoe di lawang pingpitoe,
datang ka lawang pingsanga,
dangdeung ka paseban ageung,
djoeg datang ka aloen-aloen,
parapas ka lawang loear,
medal ka lawang saketeng,
koelantoeng toeroet loeloeroeng,
loeloeroeng tiloe ngabandoeng,
kaopat noe keur didjaga,
kalima heuleut-heuleutan.

Djoeg ka pipir goenoeng.

„Da halal, ratoe emas,.noe kagoengan padaleman aja tjalik?” „Aeh, koetan Mama Lengser, sok karoenja teuing, Mama Lengser, soemangga, tjalik.”

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Mama Lengser, oelah tjalik sisi teuing bisi tidjengkang.”

Ser Lengser nengahkeun; adjriheun Lengser, Poerba sari enggeus beunghar:

gorompjang lalantjang emas,
lalantjang bokor kantjana,
diloekoen nimoe sapoeloeh,
digantal nimoe salapan,
ditetek nimoe salawe,
meunang nonggong njilokakeun,
meunang ngahoeloe mikoengkeun,
rampes ngeusal tamba palaj,
leuheung meueus djeung henteu mah,
loemajan tamba teu pisan,
ngakoe soteh kami boentoe,
njambat taja nja kaboga,
sareseh taja pamere,
ngalemar bawana keneh,
teu sae anoe njadoekeun,
teu sae noe disadoekeun.

Si-Lengser ngahoeleng ngaboentel tineung.

„Koemaha, diseupahna koe toeang koering?”

Koetoe simboet koear sindjang,
tarima darma pangasih,
pangasih ti djalma ririh,

[ 228 ]

pangangkat ti djalma koeat,
njigit gantal meuweung keusal,
diperih amis tjaina.

Prak dioetahkeun deui, bisi kapetolan, bisi kawiwirangan keur hatoeran.

„Mama Lengser,” orokaja gantjang nanja, „reuas pabaoer djeung sieun, na tjoendoek dipioetoes, na datang dipiwarang, noen, rampes pikonokeun, soemangga pikersaeun.”

„Ratoe emas, djisim koering tjoendoek manggoel pioetoes, datang dipiwarang, ngemban pangandika ti nagara miwah ka toeang karsa, lakoening samping djeung kasang katoet djeung olahanana, geus aja ta henteu?”

Poerba sari regoek tjeurik.

„Ti dihin oge oendoer basa boedak keneh; samping ti mendi, kasang ti mana, rampes, njerahkeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun. Lega beurang lega peuting, patina si-adi, da teu bisa njieun samping njieun kasang.”

„Teu djamak koering ngagampang, ratoe, ning eta tjat ka aja tjat ka henteu, koedoe kairingkeun bae koe djisim koering, mo bisa balik ka nagara, kitoe ge tjek timbalan.”

„Oetoen, koemaha oerang, pedah ajeuna, oerang ditoeroenkeun ka nagara, teu meunang noenoehoen.”

„Geura moedji bae bari ngoekoesan leuit toedjoeh ngabandoeng.”

Tjatjap ing ngoekoesan; leuit doedoekoehan Poerba sari, seureuh meudjeuhna boeboeni tjareuh, kalapa sintoeng ngadjadjar.

Boes deui ka padaleman, reketek dibeubeur leupeut.

„Koemaha nja Oetoen.

„Oerang toeroenan bae, bisi dingarankeun teu ngawoela.”

„Koemaha, Mama Lengser.”

„Mo bisa balik moen teu kairingkeun mah.”

„Rampes, atoeh.”

Indit tina pangtjalikan,
angkat tina patapaan,
sawarnaning kekembangan,
dipipitan bari angkat,
saking oel rek ninggalkeun,
doedoekoehan tjondong kabeh,
soedjoed dipileuleujankeun,
datangna ka lawang loear,
ngaraboet dapoeran eurih,
Loetoeng keur sawenan lawang,
silepna henteu katembong,
disawenan pangawasa,
dibanding koe pradewata,
katjatjang kolear angkat,

[ 229 ]

memeh angkat keupat heula,
poen Mama djadi oejoenan,
keupatna aloeng ka manggoeng,
tanding bintjaroeng diadoe,
keupatna helang ka handap,
tanding kembang sempoer ragrag,
Poerba sari leke lenggang,
keupatna Mas Poerba sari,
keupatna helang ka hareup,
pakeunna nandjoerkeun tineung,
kadi meri datang mandi,
kadi soang datang ngodjaj,
kodomang Loetoeng pandeuri,
leumpangna doemontja-dontja,
boentoet bereleng kantjana,
boentoet emas ditjentangkeun,
nja hoeroeng sariga lajoeng,
nja herang sariga bentang,
diïring paradewata,
koelantoeng toeroet loeloeroeng,
loeloeroeng tiloe ti poengkoer,
kaopat noe keur didjaga,
kalima lawang saketeng.

Djoeg ka aloen-aloen, blas ka padaleman, prasikepan tjaralik.

Lengser boes ka padaleman.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Noen, pangoeloe tandang, enggonna djisim koering dipiwarang noeroenkeun, toeang rai geus tjatjap pisan, malah kairingkeun katoet djeung boedjangna loetoeng, lakoening kasang djeung samping tampi raos teu roepa.”

„Soekoer, sakoemaha pikersaeun, geura temonan bae koe Mama Lengser.”

Tjedok njembah.

„Teu lambat ngadeuheusan, amit moendoer?”

Djoet toeroen.

Blas ka padaleman, prak ka pangtjalikan, ngeureunan palaj.

„Koemaha, Lengser, palamerta?”

„Noen, Djaksa, geus tjatjap, hatoeran ning eta tatjan meunang wekasan, saoerna tjoeang ngantian kasaoeran bae.”

Geus parele di djero noe dangdan.

Rigeug Indrajaja noe angkat, diïring koe parapoetri.

Noe genep bral ka paseban, brak sila pinoeh saroang, masamoan sisi-sisian.

„Noen, Djaksa, geura midoea, sasrogan, kakara didoeöeman Djaksa bae.” [ 230 ]„Teteh, amit hatoer, adi pedah aja panjaoer, soemangga, pikarsaeun.”

„Koemaha, leuit saroepa ta henteu djeung noe oerang?”

„Noen, Djaksa geus meudjeuhna, geura djaksaän, djaksa nagara heula, djaksa oerang sisi heula.”

„Rampes, ning eta eleh ge kami henteu era da oerang sisi.”

„Lengser, koemaha, kami mah henteu njaho ti tatadina.”

„Rampes, ngababarkeun ning eta patjoean diwada koe Djaksa, bongan dipariksa, teu njaho di hadena, di henteuna, kagoengan emas poetri boengsoe leuitna toedjoeh ngabandoeng nja soteh boedjang loetoeng eusina gila koe moeloes sakitoe gila koe parinoeh djeung deui parena ge araloes.”

„Koemaha, dingarankeun pare aloes?”

„Pare esean.”

„Koemaha, Djaksa, nagara?”

„Ieu nja kitoe keneh, teu njaho ti tatadina.”

„Rampes ngababarkeun patjoean diwada koe Djaksa nagara, kagoengan leuit nagara dihatoerkeunana anggon karana eta teh djiga ranggon, eusina djarami bae, koekoek, waloeh djeung roengkoenna, katjang, roaj djeung toetoeroesna.”

Ger disoerakan: „oersih, kawon!”

„Kami teu tarima kawon, teu weleh ngadoe gawe.”

„Djaksa, nagara aja woewoeh pangaweroeh kieu-kieu ngadjadi, djadi teu weleh ngadoe gawe, tjoeang pangeunah-ngeunah olahan, kami mah enggeus miroepa, mendi boeatan olahan tangkoerak sia.”

„Teteh, sok leuih teuing wiwirang si-adi, diïmeut-imeutkeun teuing.”

Geus dioengkoelan kari saketokeun bae.

Aja soara tan katingalan: „Indji, geura rampesan bae, geura ngoekoes di pipir paseban.”

Terengteng ngoekoes.

Tjatoerkeun di manggoeng.

Saoer Soenan amboe:

„Kai Boedjangga geus datang kongkonan si-Oetoen, geus moeles kana pangamboeng noeroenkeun olahan.”

Tjek Kai Boedjangga: „geus ditjawisan”; diragragkeun ngareka moending woengkoel keneh.

Ragrag goemolang-golang moending noe kasep pisan.

1.

Djoeg ka boeana pantjatengah, hol ti loear njampeurkeun koe maneh; tembong ditoengtoen koe Poerba sari.

„Teteh, ngan sakieu nja panggih.”

„Tangkoerak sia, sok lalawora teuing, masih moending woengkoel keneh.” [ 231 ]Geus dioengkoelkeun kari saketokeun bae.

Diharewosan koe dewata: „Indji, geura metjoet koe njere laki.”

Djepret gebraj moending miroepa tetenong.[5]

„Tjing, ngeunah mana, ngeunah mendi, geura asaän.”

Pada ngasaän saoejoep sewang, henteu mahi kedjona, gila koe poelen boeatan Poerba sari, dipalidkeun saparoeng mo peuraj.

„Koemaha Djaksa nagara, oetama da boeat nagara?”

Soeroepoet soeroepoet diasaän belel, weureu olahan boeatan nagara, saoerang deui njeuleuan waloeh, sahoeloe djadi saboekoer, ditjotjol gedag djeung areujna, pindang hajam ditjotjol ngarondjat keupeul.

„Kawon, Djaksa,” nagara oersih.

2.

„Teu weleh ngadoe gawe teu tarima kawon, tjoeang parea-rea samping, kami mah geus ngoendoeng-ngoendoeng tiloe poeloeh.”

„Teteh, oendoer basa boedak keneh teu bisa njieun samping, pati si-adi lega beurang, lega peuting.”

Geus dioengkoelan kari saketokeun bae.

Tjlok toropong hareupeun Poerba sari, teu tembong anoe nendang.

Beubeutkeun, djepret, gebraj samping sawidak lima.

Dipareboetkeun koe Djaksa pidjimateun; kakara manggih ajeuna samping batan kieu aloesna.

„Djaksa nagara, koemaha, loehoer noe kami, oenggoelanana?”

„Lain masinikeun oenggoelan, meunang ninoen gila koe madoeng, montjoran beuti gadoeng.”

„Kawon, Djaksa,” nagara oersih.

3.

„Teu tarima kawon, tjoeang papandjang-pandjang kasang.”

„Teteh, sok kabina-bina teuing, oendoer basa boedak keneh.”

„Rea wangsoelan: gobang pondok pangetokan,

gobang pandjang pamantjasan.”

Geus dioengkoelan kari saketokeun bae.

Tjlok toropong deui hareupeun Poerba sari; dibeubeutkeun, djepret, gebraj kasang toedjoeh laboehan kagoengan Poerba sari.

„Tjing, pandjang mana, pandjang mendi, nagara djeung oerang sisi.” [ 232 ]Tjek Djaksa: „Poerba sari reana toedjoeh laboehan, ditilik gila koe pandjang nja soteh teu boga wewenang kagoengan Mas Poerba sari.”

„Koemaha, Djaksa, nagara loehoer noe kami oenggoelanana?”

„Lain masinikeun oenggoelan pandjangna.”

„Da boeatan nagara mah,
bagedoegna koerang tinggoer,
tarik toendjang kendor pakan.”

„Ti sisi goenoeng-goenoengan,
tjarangtjang montjoran katjang,
hade eukeur njair bintjang,
boeatan Mas Poerba sari.”

Ger oersih: „kawon, Djaksa kolot.”

4.

„Teu katarima kawon, tjoeang palenggik-lenggik soesoe djeung si-adi.”

„Teteh, sok leuih teuing wiwirang si-adi soesoe mah, koemaha dilenggik-lenggikna?”

Geus dioengkoelan kari saketokeun bae.

Diharewosan koe dewata: „Indji, geura nangtoeng toeroet bae.”

Prak dikarembongan:

karembong tjawiri poetih,
ngareka loeareun krembong,
hoeloe soesoe noendjoek iroeng,
djoedjoeloek sasangga waroe,
ditilik gila koe loetjoe,
taja batan poetri boengsoe,
tetenger djadian agoeng,
hade keur pawarang ratoe,
taja batan Poerba sari,
pangaroeh teureuh noe pasti.

„Koemaha, Djaksa kolot?”

Oetama diawaskeun djiga karang hoeloe koerang kapoek, lepet djiga letah andjing.

Ger oersih: „kawon pangoeloe tandang nagara,”

5.

Teu tarima kawon, tjoeang pageulis-geulis, geura nangtoeng.”

„Djoeng nangtoeng.

„Tjing, geulis mana, geulis mendi oerang nagara djeung oerang sisi, Djaksa, Poerba sari heula.” [ 233 ]Tjek Djaksa:

Njai emas Poerba sari,
enja soteh oerang sisi,
hamo kalah kageulisan,
djalma beubeulahan boelan,
sesemplekan serengenge,
soesoeroepan bentang timoer,
geulisna kabina-bina.”

„Koemaha, Djaksa kolot?”

„Saroea lendjangna, saroea geulisna mangka tetela nja ngadjaksaan, kawoewoehan pimotongkeuneun, dipotongkeun koe si-Lengser,

Tjek si-Lengser: „geulisna saroea, lenggikna saroea, lendjangna saroea; arina diawas-awaskeun aja keneh katjawadna saeutik bongkok meongeun.”

Oersih: „kawon pangoeloe tandang nagara.”

6.

»Teu tarima kawon, teu weleh ngadoe gawe, tjoeang papandjang-pandjang boeöek, pandjang mana, pandjang mendi, boeöek aing djeung si-adi.”

„Teteh, leuih teuing, koemaha dipandjang-pandjangna?”

„Rea kawangsoelan, rea katembalan:

gobang pondok pangetokan,
gobang pandjang pamantjasan.

Geus dioengkoelan, kari saketokeun bae.

Aja sora tan katingalan: „Indji, geura nangtoeng, toeroetkeun bae.”

Neut nangtoeng, gebraj didjambak koe dewata, braj boeöek ngoejoepoek di boemi, galing moentang pipitjisan.

„Tjing, geura djaksaän.”

Tjek Djaksa: „Poerba sari teu njaho dipandjangna dihenteuna,

boeöek ngoejoepoek di boemi,
boeöek emas Poerba sari,
galing moentang pipitjisan,
ditilik gila koe pandjang,
nja soteh teu boga wenang,
ditilik gila koe herang,
di mendi teu rekna hajang,
hajang soteh ngawoelaän.”

„Koemaha, Djaksa kolot?”

„Noe saoerang datang kana poendoek, noe saoerang deui kana tonggong; noe saoerang deui kana birit, noe saoerang deui kana tjetjekolan; noe saoerang deui ngaringkiwik djiga hingkik, noe saoerang deui gila koe koesoet.”

Ger oersih: „kawon pangoeloe tandang nagara.” [ 234 ]„Mama Lengser, rek ngoesoet-ngoesoet bae.”

„Lain ngoesoet-ngoesoet djamak noe ngadoe ramboet, pangoeloe tandang, teu beunang diroeroentoet.”

7.

„Teu tarima kawon, teu weleh ngadoe gawe, tjoeang paroeöem-roeöem boboreh.

„Pangoeloe tandang, geura njangraj peundeuj, bisi kawon, pangoeloe tandang nagara.”

„Hajoe, adi, oerang paroeöem-roeöem boboreh.”

„Teteh leuih teuing wiwirang si-adi, teu oemoem teuing, boboreh mah, koemaha diroeöem-roeöemna? Pati si-adi lega beurang lega peuting, pati moen patitis, kadjeun pati toedjoeh kali, padoe diajoenan goesti.”

„Tangkoerak sia, rea kawangsoelan, ieu gobang pondok pangetokan ka noe genteng teoheun gado.”

„Teteh, oelah dipisaoer, dek bae.”

Diharewosan koe dewata: „Indji geura nangtoeng.”

Neut nangtoeng.

Dieurihkeun boboreh kana oelakan, diasoepkeun ka djeroëun samping; Poerba sari dedel koe kaseuri, legedej pinoeh satjoepoe, malaoeng seungit ka manggoeng.

Ger dipareboetkeun koe Djaksa boborehna Poerba sari. Djaksa nagara ngareboet didjengkangkeun, blak nangkarak.

„Oelah ngareboet boboreh kami.”

„Koemaha, Djaksa kolot?”

„Tatjan karoean.”

Boeroedoel sagede beuti tjariang, batan pasti anggoer baoe aran sidahar sasawi hedjo sapotong.

Ger oersih, disoerakan: „kawon", bari noekang kabeh.

„Mo weleh ngadoe gawe, teu tarima kawon, tjoeang pakasep-kasep beubeureuh, sagorengna kami mah da djalma, tangkoerak sia mah sakasep-kasepna da loetoeng, henteu kasep-kasep teuing da loetoeng.”

„Teteh, sok leuih teuing wiwirang si-adi, rampes, njerahkeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, pati moen patitis, kadjeun pati toedjoeh kali, padoe diajoenan goesti, batan diwiwirang teuing mah, koemaha dikasep-kasepna.”

„Oetoen, geus meudjeuhna, teu oenggoet kalinian, teu gedag kaanginan.”

„Rea wawangsoelan, katembalan kami mah da djalma, sagoreng-gorengna da djalma, henteu goreng-goreng teuing da djalma.”

„Ti tadi ge teu wangsoelan doea tiloe, pati si-adi lega beurang, lega peuting, dikasep-kasepna da geus kitoe bakatna loetoeng.”

Geus dioengkoelan kari saketokeun bae. [ 235 ]Ret njoreang Poerba sari ka Loetoeng.

Tjek sora tan katingalan: „Oetoen, geus mangsana.”

Geledeg Loetoeng loempat ka aloen-aloen, diïring koe paradewata.

Ger disoerakan koe nagara: „loetoeng eleh.”

Maroekankeun eleh koe nagara.

Datang ka loear gedogkeun, gebraj raksoekanana:

baranang sariga bentang,
hoeroengna sariga lajoeng,
kakasepan Goeroe Minda.

Djepret raksoekan dibeubeutkeun ka sanghjang batoe datar, djanggelek djadi djalma, djenengkeun Ki Bagoes Lemboe halang, ngahalang karatoeanana, saoemoer tapa saroepa bae gedena kasepna.

Top salopana oeroet wadah raksoekan toeroebna dibeubeutkeun, djepret djanggelek djadi djalma, djenengkeun Kidang panandjoeng.

Top sabeulah deui, djepret, djleg djadi djalma djenengkeun Gelap panjawang.

Sadjongdjongan tiloe kaopat salira radja; moen moending djadi sarakit, moen kembang djadi sapasang, kasepna saroepa, gedena saroea.

Tjek dewata: „Oetoen, oelah wara madjoe ka aloen-aloen didangdanan heula koe dewata, ditjawisan salawasna mo kakoerangan.

Rap noe dangdan:

anggona sorot bajabon,
dadamping toempal pajoedan,
disaboekan tali datoe,
meunangna djamang sakelat,
meunang makoeta paremas,
mengled anoe njoren doehoeng,
gogodong rombjang kantjana,
landean tajoeman anjar,
sarangka sasarenggatan,
sasamboengna tiloe poeloeh,
tatambalan lima welas,
tatap eloekna salawe,
kilang kitoe teu katara,
regana salawe joeta,
kilang kitoe ditedoenan,
da sae noe nganggo inja,
pendok koneng nganggo topeng,
ngageboer pamendak inten,
raweujan kembang djajanti,
lain djajanti mas kembang,
mas pitoe meunang ngalesoe,
mas sanga beunang ngagoebah,

[ 236 ]

emas meunang ngaleotan,
ngaroengkoep kana harigoe,
ngaroembaj kana kengkerang,
meulit kasorong kerisna,
ipis ramping koe dadamping,
genteng tjangkeng koe rarangken,
langkojang awak wajangeun,
kasep taja papadana.

„Oetoen, anak ing, bahajoe dipake lesoe, baheula dipake tapa, ajeuna datang ka mangsana. Baheula toeroen ti manggoeng djenengan Goeroe Minda Kahjangan, anak dewata tjikalna, titisan Goeroe Hjang toenggal, seuweu batara di langit; ajeuna salin djenengan, Goeroe Minda teu dipitjeun, djadi Goeroe Minda Patandjala, ratoe Patandjala seda, noe kasep ratoe sembawa.”

„Oetoen, kami arek balik.”

Wangsoel Goeroe Minda:

ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,
ngobah-ngobah noe keur tapa,
neda pangampoera bae."

„Oetoen, oelah rea kasaoeran, mo hedjo lalakonna mo rambaj tjaritana, moen teu koe amboe koe sadoeloerna.”

„Noehoen.”

Terengteng baralik dewata ka sawarga loka manggoeng, boes ka panoenggoean, bias ka patapaän.

„Indji, koemaha, geus parele, mana loedeung ninggalkeun?”

„Soemoehoen tjekap.”

„Soekoer.”

Tjatoerkeun deui di nagara.

Ratoe rek madjoe koering ngiring pandeuri.

Katjatjang kolear angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag nja ngalangkah,
keupat-keupeut rentang-rentang,
keupat gambalang-gambeleng,
djiga banteng toemambirang,
ngaran anggo djalma wenang.

Barang gok ewoeh ngakoe beubeureuh, moen moending djadi sarakit, moen kembang djadi sapasang; ngakoe beubeureuh ka noe ti heula, ngakoe dahoean ka noe pandeuri, ka Ki Bagoes Lemboe halang.

Breg tjaralik di pasamoan.

Ret Lengser njoreang, gebroeg toetoeroeboen ti paseban bari inget popogan siga djalma kasep, der ngadeg, sanagara madjar kasep kabeh. [ 237 ]Si-djompong noöng asoep sapotong, kabita koe noe montjorong oerang sisi, rek nongton noe kasep; teu kabagean samping, manggih loemping moending dipake samping, rekak-rekoek sada andjing oetah.

Ger kawon Indradjaja.

„Oelah kitoe-kitoe teuing.”

Ger koering njisi sewang-sewangan.

„Mas kabene geura maseuk djangkar pageuh dioeger-oeger, wesi tihang panggoeng tekin wajang kadjenggoet toeang koekoentjoeng.”

„Koemaha kasambatna toeang nami, geura pok pikonokeun, koemaha pitarimaeun, geura pok malik basa.”

„Rampes simkoering dipoendoet nami, bala taja doea, sahidji keunana pasti:

Njai Emas Poerba sari,
Poerba sari ajoe wangi,
Kantjana ajoe dewata,
Dewata radjoena tapa,
Tapa emas tapa radja,
Mas tapa radja koesoema.

„Simkoering rek malik basa,” tjek Poerba sari ka Goeroe Minda:

bahajoe dipake lesoe,
baheula dipake tapa,
da geus datang ka mangsana,
Oetoen soteh ka loetoengna,
boedjang soteh ka tjangkangna,
ari datang ka mangsana,
koe koeningan keuna poetih,
tambaga keunana bodas,
sakala salaki koering,
asoep goenoeng koering miloe,
sampean pigoeriangeun,
koering piïndangeunana,
ratoe anoe malik basa,
peso raoet gagang padoeng,
panjoekoer serang lambajoeng,
pamoepoe indoeng toeriang,
etem banget ka awak ing,
sor lepo eta noe mando,
parapat eta noe njembah,
kopo tjondong djeungdjing djoho,
taleot djeung talawoengan,
kehkel naek batoe toeroen,
kita daek kami poeroen,
goleah kana lahoenan,

[ 238 ]

tjalik dina bentjing bitis,
dioek dina poendoek toeöer,
eukeur patimoe nja semoe,
eukeur djongdjon sosonoan,
noe kasep reudjeung noe geulis,
ditjioem diembe lanang,
ditjioem diloedat-ledot,
koetil linjih radang lesang,
sot lesotkeun tjag etjagkeun,
matak ageung singsireumeun.

„Goesti sembaheun, agoeng paraloen, widi teu widi, disoehoen widina, rek amit males ka soenan teteh.”

„Owah, eta toeang adi, geulis mangka toetoeg geulisna, poetih mangka toetoeg poetihna.”

„Goesti sembaheun, teu kawawa noe njeri dipoelang njeri.”

„Hade, oelah kalajanan bae.”

Tjedok njembah, indit sampean djarangkang, lap poho.

Tjag ditjandak ramboet Poerba rarang, gedeboeg dioeleng, digoegoesoer bari dipetjoetan.

Ngadjerit maratan langit, ngotjeak maratan desa.

„Kami tarima males hoekoem, noe njeri dipoelang njeri, noe moha dipoelang moha.”

„Adi, oelah dikieukeun, radja banda katoet bala njerahkeun inja.”

„Montong diserahkeun, ti baheula nagara aing, teteh ngan kapihapean.

„Adi, katimbalan ti rama ti amboe, adi, njoehoenkeun pertobat.”

„Moen hajang njaho, baheula waktoe diboeang tanpa timbalan.”

„Adi, menta pertobat, menta dihiroepan, adi?” Bari ngoesap koe tjongo boeoek kana dada Poerba sari bari pertobat.

Sot dilesotkeun, tjag kelingan deui.

„Bagea noe tjalik.”

Terengteng moeatkeun sembah.

„Noen goesti sembaheun, neda agoeng paraloen, pandjang pangampoera, kelat kapohoan doana toeang adi.”

„Sakitoe ge meudjeuhna noe males mah oetama.”

Brek soedjoed.

„Adi, menta hiroep bae.”

„Ari kersa djadi pangawoer hajam?”

„Kari koemaha pangersakeun si-adi,”

„Ing dalem sadjongdjongan hajam koedoe diangon.”

Noe saoerang deui: „adi, padoe diakoe bae.”

„Ari kersa djadi pangawoer meri?” [ 239 ]„Kari koemaha pangersakeun.”

Noe saoerang deui: „adi, menta hiroep bae.”

„Ari kersa djadi pangawoer soang?”

„Kari koemaha pangersakeun.”

Noe saoerang deui: „adi, padoe menta hiroep bae.”

„Ari kersa poerah noetoe, ngedjo, djadjabroeg, sasapoe karang, tamba tjape top kana tinoeneun?”

„Koemaha kersa, adi.”

Noe saoerang deui: adi, menta hiroep bae?”

„Ari kersa mitjeunan tai koeda, tai moending, poerah ngangon, tamba tjape top kana djoedjoetaneun.”

Anoe limaan:

tamba toendoeh ngadjoedjoetan,
tamba tjitjing ngangon moending,
tamba tjape ngangon embe.

„Baheula, waktoe nalangsa, ngan teteh Emas Poerba leuih loemajan, ka soenan dahoean, ka Ki Bagoes Lemboe halang; diadegkeun papatihna Ki Bagoes Lemboe halang.”

„Teteh teu bisa moelangkeun tamba.”

„Adi tarima sakitoe ge pira-pira, da baheula teu meunang eman.”

Kedep njoreang Indradjaja, djarangkang toeroen ka aloen-aloen.

Reup geuneuk toeang pameunteu, rep djiga toeang salira, ngeng dedengeanana, gaor nangtang kekedoek bari gagamboel: „ih! toeroen! soegan aja maoeng dikoengkoeng, badak ditjangtjang, banteng dirante; tjoeang tepoeng adoe laoeng, tjoeang keteng gegedengan, tjoeang perang djeung dewek; mas kabene, dewek dibojong kabeh.”

„Noen, goesti sembaheun koering, rampes, reungeukeun, lain roekroek, lain manoek, lain tjongtjorang disada, lain tjoemeloek ngadjak njatoe, lain goemantawang ngadjak madang, noe tjoemeloek ngadjak poepoeh, goemantawang ngadjak hilang; goesti, rampes, tandangan.”

Owah, toeang adi, moen tjalik mangka toetoeg tjalikna, tetep mangka toetoeg tetepna, oelah oenggoet kalinian gedag kaänginan.”

„Padoeli naon, teu kitoe ge papantesna nanggap mamaos; ingkeun bakal nandangan Ki Patih Lemboe halang.”

„Noen, rampes soenan dahoean mangka eling kana djisim, noen, rampes, geura tandangan:

„Oelah rek oendoer da bagoes,
oelah rek weleh da kasep,

[ 240 ]

bisi djadi banda deungeun,
bisina kasamboet deungeun,
ingetkeun djeneng si-adi,
montong diëling-elingkeun,
eling-eling sapandjangna.”

Djarangkang toeroen; „meudjeuh nja nangtang nja aing kamarang hideung tandangna sanak wargana.”

„Ih, kirik teh, njampeurkeun ka dewek ali loklak kade ninggangna, meunang njoetjoek dadapkeun.

„Ka dieu kana koelit dingding poerasani, kana paranti baradja kokotak.”

Djebet kana kongkolak mata teu ngitjeup-ngitjeup atjan.

„Kirik teh kandoelan.”

Djebot deui.

„Kirik teh bangor.”

Djebet deui, merenges bae kakasepanana; sedekkeun teu obah-obah atjan. Balikeun deui ka Patih Lemboe halang, geret teu obah-obah atjan.

„Kirik teh djangkaran, koerang tanaga.”

Balikeun deui ki patih, derekdek geret, teu obah-obah atjan.

„Montong perang djeung dewek, lain lalaki mah.”

Woewoeh poendoengna patih ngadoger, oenggoet di loehoer, gedag di handap, ngembang dadap ngoletjer. Gedeboeg djoeringkang satoetoep aloen-aloen, ditindihkeun tjangkang keupeulna. Djebot korongna sagede toewoeng tjangkang korong asa kosong, tjeblok disoedoek koe doehoengna Patih Lemboe halang.

„Rambetoek teh njeuseup, lanjap-lanjap temen.”

Dirambetoekeun bae; tjeblok datang ka doea kali.

„Reungit teh njeuseup.”

Tjeblok datang ka tiloe kali, seblak sapat, toeloej beuheungna Indradjaja digagantingkeun; bloes ka hareupeun Goeroe Minda.

„Noen, goesti sembaheun, ngahatoerkeun gagantingna Indradjaja.”

„Ki Patih Lemboe halang, oelah dikitoekeun toenggal kaoela aing, hiroepan deui, soegan beunang ditaloekkeun.”

Gagantingna rada kabendonan, djoet toeroen dihiroepan deui:

tjoendoekkeun atma ti kidoel,
datangkeun atma ti wetan,
asoep bajoe ka koeroengan,
entik lilir renghap tjarang,
koelimis tanpa lelenga,
abang lambe tanpa nginang,
djanggelek waloeja deui.

„Menit temen nja deudeuleuan."

„Meureun menit modar tanpa karoehan, koemaha piangkeuheun, rek ngawoela?”

„Koemaha tingkah ing ngawoela?” [ 241 ]„Broek soedjoed ngawoela ka boemi, tanggah ngawoela ka langit.”

„Ngabatjokak goletak serah bongkokan, landean hoeloe lisoeng, gogodong djeungdjing tjondong, pamendak loeloempang tjopong.”

„Tah, kitoe tjirining ngawoela, hoetang koedoe bajar, ngindjeum moelangkeun.”

„Karsa pake pangarit?”

„Koemaha pangersakeun.”

Pangnjieunkeun tjarangka satangtoengna, gede sadeupa mider, dibahanan arit timah.

Indradjaja djadi pangarit; ngarit tatjan meunang djoekoet disoesoelan, Lengser noe ngapalaän.

Poerba sari Goeroe Minda malebet ka padaleman, toewoeh ratoe babar tapa datang ka mangsana.

Meunang dirioeng koe geloeng,
meunang direndeng koe tjangkeng,
noe lendjang pada ngadjadjar,
noe denok pada ngaronjok.

„Mama Lengser, baheula, waktoe nalangsa Mama Lengser noengtoen toewoeh, ngadjajak bagdja, noe ngora teu bisa moelang tamba, Mama Lengser, djadi kokolot nagara:

nganjahokeun sagedena,
mangka beunang diandelkeun,
ngoeroes bisana nagara,
pananjaan sarerea,
djeung patihna Lemboe halang.”

LIII.

Neda agoeng nja paraloen,

neda pandjang pangampoera,
ngoesik-ngoesik noe keur tjalik,
ngobah-ngobah noe keur tapa.

Tjatoerkeun di manggoeng, tjarita di kahjangan.

Soenan amboe teroes panon batan katja, salawasna katingali, si-Oetoen geus toewoeh ngadeg ratoe, babar tapa malebet di padaleman Goeroe Minda Poerba sari.

Tjek saoer Soenan amboe: „geus meudjeuhna ditoeroenkeun ka nagara leuit toedjoeh ngabandoeng.”

Tjek Boedjangga: „rampes sadjiad sakersana.”

Boedjangga noe leuih pangawasa dioelang bae; derekdek leut sapangeusi di pipir

goenoeng; paseban, gedong, toeroen kabeh, koempoel kabeh ka nagara; ngiring leuit tinggal tatapakan. [ 242 ]

LIV.

Tjatoerkeun di nagara.

Teu djamak ratoe koe tjadoe,
teu djamak menak koe tjatjad,
kapoelih batan sasari,
kalandja batan baheula,
soegih moekti rea boekti,
beurat beunghar rea banda,
rea banda katoet bala,
pendok saratoes disoehoen,
pendok salawe diteëp,
lain beunang ngala boeroeh,
lain beunang tjari oentoeng,
lain beunang badog rampog,
pamahoegi paranjai,
pamere paratjawene.

Baheula keur dititihan koe Poerba rarang nagara Pasir batang, ajeuna salin djenengan, geus toewoeh Poerba sari, salinanana djenengan nagara Pakoean kalangan; tjikal wiwitan ngadjadi wekasan ngoeroes nagara.

Ger noe soekan-soekan:

doer bedilna bet tinggarna,
morobot pestol pamoran,
bedil tinggar kalantaka,
geledeg mariem dalem,
bedoeg tamboer tiloe poeloeh,
seah tarompet sawidak,
siga srengenge ti langit,
tangara radja papadjar,
pangaroeh ratoe keur toewoeh.

Soekan-soekan ngawonkeun Poerba rarang.

Ngadingding koetana beusi,
ngagenjas koeta tambaga,
ngempoer koetana paroenggoe,
beusi direkakeun moending,
tambaga direka koeda;
wongwonganna di karaton,

[ 243 ]

paroenggoe direka maoeng,
tetenger di lemah loehoer,
wongwonganna di karaton,
salaka direka merak,
emas direkakeun boedak,
ditilik djiga njaliksik,
diteang djiga njoreang,
tetenger di lemah loehoer;

wongwonganna di karaton,
kalitjangkas djangdjang emas,
tikoekoer djangdjang paroenggoe,
titiran djangdjang salaka,
tetenger di lernah loehoer;

wongwonganna di karaton,
njoreang ka tebeh loear,
ngarekakeun gadjah depa,
direkakeun maoeng singa,
ngalirik kana palipir,
ka loehoer direka koentoel,
di teoh direka bango,
di tengah direka djalak,
sigana pasampeur-sampeur,
tetenger di lemah loehoer;

wongwonganna di karaton,
direkakeun heulang ngapak;

wongwongan poetjoek ing koeta,
Poerba sari Goeroe Minda,
geus saroea katoewoehan,
geus beak nja panasaran,
taja kahoetanganana.

noe ti kaler njembah ngidoel,
noe ti kidoel njembah ngaler,
noe ti koelon njembah ngetan,
noe ti wetan njembah ngoelon,
geus gilig djadi sahidji,
pepek geus langgeng waloeja,
pada saroea sampoerna.

—————

[ 244 ]

Oetama noe ngalakonkeun,
oetama noe dilakonkeun,
saroea teu naha-naha,
kari salametna bae,
katoet djeung anoe noelisna,
sarta djeung anoe ngarsakeun.


Ditoenda.

والله اعلم





  1. Pinasti djadi wasiat mana katelah Tji-njasak oeroet sasak Poerba sari mana, datang ka kiwari poesaka ti Poerba sari.
  2. Mana aja roeatan, mana datang ka kiwari, poesaka ti Poerba sari.
  3. Kantjra belang sisit emas hade keur ingon-ingon laoek radja peni, oenggal goesti nganggo laoek radja peni mana datang ka kiwari poesaka ti Poerba sari. Djolang maboer ninggang di djaoehna. Pinasti djadi waloeri, mana aja katelah Tj-djolang, oeroet djolang Poerba sari, mana datang ka kiwari poesaka ti Poerba sari.
  4. Pinasti diwaloerikeun mana datang ka kiwari ari leunjaj paeh herang ari tjaang soerem, dakining Goeroe Minda Kahjangan tatkala sibanjo, popoëkan kadjadjadianana leunjaj mana datang ka kiwari.
  5. Pinasti diwaloerikeun teu hade metjoet moending koe njere laki, poesaka ti Poerba sari.