Lompat ke isi

Baduj: Buku Batjaan Bahasa Sunda

Ti Wikipabukon
[ Sampul ]

MILIK KEMENTERIAN P.P. dan K.

Tidak didjual kepada umum









BADUJ

BUKU BATJAAN BAHASA SUNDA


untuk S. G. B., S. M. A bagian A

dan PERPUSTAKAAN GURU S.R.VI


OLEH:

R. DJATNIKA SOERIADIRADJA


DITERBITKAN OLEH:

KEM. PENDIDIKAN, PENGADJARAN DAN KEBUDAJAAN

REPUBLIK INDONESIA 1951

[ Judul ]

Mulai dipakai pada tg, ..........

Diterima dari Gudang tg. ..........

Tak terpakai lagi tg. ..........




BADUJ

BUKU BATJAAN BAHASA SUNDA

untuk S.G.B, S.M.A. bagian A

dan PERPUSTAKAAN GURU S.R.VI



OLEH:

R. DJATNIKA SOERIADIRADJA



DITERBITKAN OLEH:

KEM. PENDIDIKAN, PENGADJARAN DAN KEBUDAJAAN

REPUBLIK INDONESIA1951

[ Pihatur ]

PANGABAKTI PUTRA

Bapa,

HIDJI bangsa anu nudju ngawangun Nagarana, kedah ngagaduhan kajakinen jen tiasana usaha Bangsa eta hasil kalajan njugemakeun, upami rahajatna paheujeuk-heujeuk leungeun, ngahantja kawadjibanana.

Ku dijalaran eta, abdi anu kalebet kana salah sawios beungkeutan bengsa Indonesia anu nudju ngawangun kabagdjaan Lemah tjai katut Bangsana, ngaraos ngagaduhan kawadjiban, dugi ka kumawwantun njutat tina tjatetan Bapa, ladjeng ngaluwarkeun ieu buku BADUJ, supados tiasa ngiring kasebarkeun dikapuloan Indonesia.

Dupi alesanana mah teu aja sanes mung hajang neraskeun usaha Bapa, supados nonoman-nonoman urang dina saparantosna meberkeun bandera, miboga kamerdikaan, dina nudjuna kana djalen satahapan saharkat samartabat sareng Bangsa lian minangka tandang diza pakalangan, ulah tjul kana patilasan karuhun.

Bapa,

Geusan njumponan kena kaperluan hirupkumbuh teh, anu tjeuk ketjapangan pera nonoman mah, madjar: „Ngindung ka waktu, ngabapa ka mangsa”, tangtos pisan ku Bapa oge kagalih jen pok sareng prakna teh henteu sami lantjarna, henteu saimbangen, malah langkung gampil ngalisankeunona baten ngalampahkeunana.. Ngedalkeun katjapanganana mah budak satepak oge parantos lantjer naker. Nenging dina prungna, lomun urang hojong ngiring tandang ding eta katjapangan, ku Bapa parantos karandapan kumaha kabanggaanana, kerupetanana. Geuning sakitu tarahalna, sakitu sesahna.

[ Pihatur ]Kantenan, teu aja pisan manaheunana, upami mung ukur kabantun ku bedug dawuh wungkul mah, kagusur ku batur dapon hirup, teu mirosea hina muljana, Abdi sadaja sami tjengeng, sami manteng, hajang kumelendang dina mangsa, numawi ihtijar sateka-teka dadahut pisarateunana, itikurih ngilori harti, anu merenah kana djamanna.

Marga lontaranana dumeh abdi sadaja parantos jakin, jen geusan njumponan enasna katjapangan anu tadi teh kedah aja sarat-saratna, perlu sajagi bahan-bahan, boh hartana boh hartina.

Nudju alam lingkung lembur, teu atjan pagaliwota sareng dunja Uanna kantenan harita mah tibra ku saaja-aja, da tarung-tarung ukur djeung dulur, balap-balap djeung tatangga.

Nanging ajeuna, mangsa harengheng, usum pelit parikat-rikat, djaman patepung panemu sareng bangsa sakuliah dunja, urang mangka iatna.

Mugi-mugi Gusti nu murbeng alam, ngalaksanakeun ku kersana sengkan tinekanan anu dimaksud ku abdi, nja eta mintonkeun kehirupan sabagian bangsa urang anu masih keneh ngagaduhon sipat Sunda asli, tiasa nungtun ka anu parantos bade ngantunkeun galur kasundaan sakumaha anu dipikahojong ku para sepuh.

Bidara Sari, Oktober 1951.

Putra

R. DJATNIKA SdR.

[ 1 ]

URANG BADUJ

SADAJANA oge tangtos parantos ngadangu, jen di pakidulan tanah Banten aja pagunungan anu ditjitjingan ku urang Baduj, nja eta bangsa urang, nu tuhu sareng keukeuh pageuh njekel agem-ageman talari karuhunna, ti baheula dugi ka kiwari.

Nanging, sanadjan eta ketjap Baduj parantos kautara ka mamana oge, manawi ari kana loma enja kana kaajaan djelemana mah, nja seueur anu teu atjan, da puguh tempatna sakitu siklukna, sareng arang langka anu sumaba liar ti padumukanana.

Sugri anu parantos ngumbara di Banten; babakuna di Serang atanapi Rangkas, kawas moal boa, tangtos parantos djongok sareng Baduj teh, margi sok aja Baduj anu darongkap ka Serang, dina waktu Pangagung pepestaan. Ningal tagog, legeg, sareng adeg par.gadegna mungguh urang Baduj mah, sanes deui pisan sareng urang pasisian anu sanes, teu aja di maranehanana mah pajangkad-pojongkod kajap-kejep pangbarung dusun teh, ieu mah estu djedjeg, njata naker djelema weuteuh, anu tatjan karandapan hama pangropea deungeun teh; tjatjak saendengna saba leuweung, arang mantra-mantra ka nagara.

Dina rap-rapanana make estu sahinasna teu reuntjeum ku anu matak sareukseuk, teu aja basa kokoro njenang njokor naringnang tiara ilaharna urang paminggir teh, ieu mah sawadjarna saplasna surupanana bae. Samping, badju, sareng totopong tinunan tea, boh bodas, boh bulao, estu merenah sanes kenging tuturuti, uypami kai mah pulukan, teu atjan ratja ku tapak ngadekan batur.

[ 2 ]Supados ebreh katingali sadajana, mangga ajeuna urang wajangkeun.



ASAL-MUASALNA

Urang Baduj teh kawasna moal lepat deui asal urang Padjadjaran, anu ngantunkeun karaton nalika dajeuh dirandjah ku balad Islam.

Nagara Padjadjaran, dajeuhna karadjaan Bramaija- Maisa-Tandraman ajana di palebah Bogor ajeuna. Wewengkonna sakuliah tanah Pasundan, ti Banten dogkap ka wetaneun Tjirebon. Urang Tjirebon kedah majar upeti tarasi unggal taun. Anu njepeng kakawasaan di Banten alam harita pangkatna Putjuk-Umum ieu teh sanes djenengan, nanging kalungguhan: hartosna kapala nu dipigusti, saderek (putra) Perebu Siliwangi, Radja Padjadjaran panutup.

Dina katompernakeun windu kalima-welas, sareng dina wiwitan windu kagenep-welas, agama Islam njaliara di Sunda. Tjirebon, Banten sareng basisir kalér parantos ragrag kana kakawasaan Sunan Gunung Djati; bawahan Padjadjaran kasosok ti Kulon, ti Wetan, ti Kaler sareng ti Kidul, dikepung buaja mangap.

Barang parantos singget, njangkewok kantun tengahna, nembe dajeuh Padjadjaran dirurug ku balad Banten.

Anu djadi Senapati Padjadjaran djenenganana Perebu Sedah, putra Siliwangi, kautus mapag musuh nu ngarurug. Nanging kadeseh kapaksa mundur. Kangdjeng Perebu Siliwangi sareng sadaja eusi karaton anu tuhu satia ka radja, lolos ngantunkeun nagara, sedih tanpa tanding njungsi tepis wiring, njorang leuweung luwang-liwung, njalindung di Gunung Kendeng, njingkahan bahaja salira.

Berejek urang Islam nempuh dajeuh, ngarandjah eusi nagara, nanging kadaton kasondong parantos kosong.

Kandjeng Perebu Siliwangi sabaladna mabakan digunung singkur mandala singkah, anu taja petana kasaba ku [ 3 ]
djalma sanes, nja eta di Tjibeo, Tjikertawana, anu nelah disebat ku urang ajeuna Baduj tea.

Puntjak pasir dihadja henteu ditjatjar, margi adat Baduj „teu wasa” ngabedah puntjak, dumeh bujut, ditjegah ku nini-aki, mun maksa sok katulah.


Anu djadi saksi sareng ngaenjakeun kana tuturan anu bieu, lian ti raratan sadjarah, sareng dongeng-dongeng sasakala, aja deui nja eta numutkeun papajan tjarios-tjarios pantun, tjarios anu natrat teu aja pegatna di kolot di budak di awewe di lalaki; teu aja deui anu djadi senden kalemekan, mung Padjadjaran katjapanganana; Siliwangi anu djadi pupuhunan, mungguh di urang Baduj mah. Urang Baduj tarabahna kana pantun, kana mantun teh lantjar ka tjarios-tjariosna, digalantangkeun apal sagala djelema, kawas langkung ti bangsa Djawa kana wajang.

Dupi pokpokanana pantun Baduj boh lalakonna boh basana atanapi haleuangna, teu aja bentenna ti pantun di Priangan atanapi di Sunda nu sanes. Ningal ka dinja tetela Priangan sareng Baduj teh pada sapalajangan, asal Padjadjaran tea, mung urang Baduj mah sumudjudna teh estu pageuh, sumarambah dina njawana sumerep kana getihna, eta djadi tawis anu ngaenjakeun kana asalna tea. Malah aja [ 4 ]
wuwuhna anu netelakeun tibelatna atina ka Siliwangi, kieu: Dina hidji waktu Suargina Kandjeng Bupati Rangkas, Raden Adipati Suria Nata Ningrat djengkar ka Baduj.

Urang Baduj nampina sareng pangakuna ka Kandjeng Bupati teh, ih biasa ka sasamana bae ngawitanana mah, teu aja pisan bentenna. Kaleresan aja hidji urang Baduj anu djadi kokolotna, wastana Ki Djasma, keur ngariung teh pok naros ka Kandjeng Dalem, naroskeun kapanasaranana.

Ku Kandjeng Dalem paralak ditjarioskeun, jen andjeunna turunan Tjiandjur, sarta ladjeng ditataan rundajanana mapaj ka puhu, dugi ka Perebu Siliwangi, anu ngasta karadjaan Padjadjaran.

Ki Djasma bengong hookeun, ngupingkeun turunan Kandjeng Dalem kitu teh, manawi teu nginten sapisarateun tadina mah.

Satutasna Kandjeng Dalem ngadawuh kitu, kelesed ki Djasma turun, sarta deregdeg bae lumpat, njampeurkeun batur-baturna, hariweusweus alewoh njaritakeun dawuhan Kandjeng Dalem tea.

Sapada harita brul bae Baduj-Baduj anu sanes pada ngadeuheusan, anu tadi api lain teu barang pirosea teh, barang parantos nguping jen eta tamu turunan Siliwangi mah, rob bae ngaronom, pating solondo dariuk, pasedek-sedek, ebreh dina ulat beungeutna sari adjrih, bangun sono bangun deudeuh, sawareh mah marahmaj bawaning bungah; hih semah nu sanes mah teu dihiding, teu dipalire deui, ieu bae geugeut ka tedak Padjadjaran tea.

Tah sakitu mituhuna migustina ka luluhurna, mungguhing urang Baduj mah.

............................................................................................................

Naon margina anu mawi eta djelema-djelema disebat Baduj, apan ari enjana mah bangsa urang, pituin urang Sunda asal Padjadjaran.

[ 5 ]Tah, kana raratanana pang dipingsalkeun kitu, dugi ka sapertos misah bangsa ti anu sanes, parantos seueur nu maparin katerangan. Tjeuk sapalih, eta ketjap Baduj teh tina asal wasta tempatna di dinja Tjibaduj, pedah ajana tjaket ka hidji walungan anu katelah Tjibaduj.

Nanging rupina, eta mah walungan gaduh wasta kitu teh, ti pengker, saparantos djelema urang dinja disarebat Baduj tea.

Sanggem sapalih deui, Baduj teh asal tina ketjap Buda, anu lami-lami robah sorana djadi Baduj.

Ieu oge teu surup kana lelembutan, dupi margina, naha aja robah sosorangannan, apan ketjap Buda dina agama Buda, djaman Buda, geuning teu robah djadi Baduj.

Aja deui nu maparin katerangan, madjar asal tina ketjap Badujut, pedah aja tangkal badujut, tjenah, di lembur atanapi kampung anu ditjitjingan ku urang Baduj teh.

Nanging da eta ari maranehanana pribadi mah henteu gaduh ngaran lembur Baduj, da padumukanana mah sanes kitu wastana, teu aja urut-urutna atjan lembur anu gaduh ngaran lembur Baduj mah.

Djadi rupina tetela eta mah ketjap Baduj teh pamojok urang Islam, pedah teu anut ka agama Rasul; ladjeng bae dieunteupkeun ka bangsa Arab di Mekah, anu sok ngagalaksak di sahara tea, anu biasana disarebat Badui. Tina Badui ana pindah kana letah Sunda djadi Baduj. Dupi eta Badui teh asal tina ketjap badu, atanapi badaw, hartosna: sagara keusik. Djadi Badui teh, tegesna: urang sagara keusik.



AGAMANA.

Tangtos pisan ku sadaja oge udjug-udjug kagalih bae, jen urang Baduj teh agamana Buda, nja eta ageman urang Padjadjaran samemehna kalindih ku Islam.

[ 6 ]Nanging upami ku urang eta anu uninga ngedalkeun ketjap Buda tea diseser ku pananja; kumaha eta agamana teh? ..... Tah anggoeun nalangan anu kedah ngawalon eta, perlu urang dadar kumaha agemanana Baduj ajeuna.

Urang Baduj gaduh sahadat sorangan panjangtjang imanna. Maranehanana pertjanten jen hirup sareng lara-bagdjana teh, kapurba ku anu wisesa, nja eta daja anu teu kahontal ku netra. Sugri anu kumelip teu aja anu ingkar tina kawasana maha wisesa tea. Nja ieu anu ku urang Baduj dipudja disembah-sembah, ilaharna di dinja digelar Batara Tunggal, ngandung hartos Pangeran anu teu dua teu tilu, murba di rat djagat wawajangan.

Harti, tumerapna rasa kana eta sesembahan, teu bina ti bangsa sanes, sapatotos teu bénten, malah ku sapalih urang Islam dihaminan, iman Baduj ka Pangeran, njata teu mi-Allah dua.

Nanging .......... nadjan poko anu djadi harti maranehanana kitu, enja pada njakseni jen eta anu Kawasa teh sanes maudjud anu nembres djunggerengna, ngan kumandang dina tjipta, jen njata wisesa tea, kawasa ngamudi hirup sareng hurip, n.urba sugri anu gumelar; nanging tah sanadjan kitu ...... da lumbrah harti da kedah guru bukti tea, mugguh ku anu miboga tea agem-ageman, ladjeng bae diwudjudkeun, dianggap bungkeuleuk aja ragaan, tjara kahanan manusa.

Ku margi ka dinja dilojogkeunana, pagah Batara Tunggal teh djelema, aja katjua kasuka, malah antekna mah make katerap ku djurig kuris sagala, ladjeng bae digarugu ditariru, embung ditjatjaran da Batara Tunggal ge henteu, tjenah.

Tina anggapan ieu, nja ngarundaj kana adat patjaduan, naon-naon anu tara, sareng henteu karandapan ku Batara Tunggal, mungguh di Badujna djadi bujut, tumerap dina kapertjajaan pageuh teu kenging dirobah.

[ 7 ]Batara Tunggal tara tunggang kuda; urang Baduj bujut (tjadu) deui, komo kana tumpak kahar, mobil, kareta api mah, da Batara Tunggal teu uningaeun-uningaeun atjan. Eta margina anu mawi urang Baduj mah seueur pisan patjaduanana, teu wasa basana kana naon-naon anu dijadi pantrangan teh, sapertos kana: matja, nulis, sare dina randjang, tutumpakan, make papakean sedjen, sareng sadjabi ti eta sadaja teu wasa, tjenah.

Ku margi Batara Tunggal parantos aja dina sangka mangrupa djelema tea, ladjeng dirundajkeun apuputra-apuputra, dugi ka ragrag ka Puun.

Uun Tjikeusik harita sanggemna nembe 13 turunan ti Batara Tunggal, salsilahna:

1. Batara Tunggal apuputra Batara Patamdjala, apuputra Dalem Djanggala, ditema ku Aki Heulang Ngambang, turunan ka Puun Kaisbah, turun ka Puun Sandan, Puun Sanika, Puun Mangger, Puun Raji, Puun Dingget, Puun Waksir, Puun Tarsi, nja ana ditema ku Puun Djarmah, Puun Tjikeusik dina taun 1891, dupi Puun anu ajeuna anak atanapi intju eta.

Dupi Puun Tjibeo turunan ti Dalem Putih, putra Batara Tunggal anu istri.

Puun Tjikartawana nja turunan Batara Tunagal keneh, ti putra anu djenengan Dalem Lagundi. Djadi dina hartosna, Batara Tunggal teh anu murba saalam dunja tea, kungsi ngaraga manusa sarta dina mangsana keur djumeneng, atuh nja tuang, kulem, tani, kagungan garwa, kagungan putra, sok dagang, biasa usaha djelema bae, sareng sok teu damang katerap panjakit deui, ari tungtungna ...... pupus, mulih ka ..... Batara Tunggal keneh. Kitu dina imanna.

Kadjabi ti pertjaja ka Batara Tunggal maranehanana pertjaja ka Sang Hijang — Sang Hijang anu pada karagungan geugeuhan. Unggal lembur, unggal gunung, pada aja Sang Hijangna.

[ 8 ]

Sok aja Baduj anu darongkap ka Serang, dimana aja pepestaan Pangagung.

Dupi palungguhanana eta para Hijang teh teu tebih ti dinja, ajana di tjaket sirah walungan Tjiudjung sareng Tjisimeut (Tjiparahijang) anu wastana parantos kawentar disebat: Artja-Domas tea.

Artja-Domas teh dianggap ku urang Baduj mah tempat sutji, anu beh dituna sutji, anu dipundjung dipusti-pusti.

Aja naon di Artja-Domas teh, sareng kumaha kaajaanana di dinja teh?

Eta Artja-Domas teh hidji tempat di tengah leuweung luwang-liwung, meh teu beunang disaba ku djelema, dalah urang Baduj oge sanes dina waktuna mah teu kenging darongkap ka dinja, mung sakali sataun dina sasih ka 5 ka dinjana teh, bade ngaberesihan eta tempat, kitu oge kedah bari memendekan.

Dina sasih Djuli tanggal 5 taun 1864 tuan Koorders parantos sumping ka Artja-Domas, sareng njarioskeun pamendakna kinten-kinten kieu:

Djalan ka Artja-Domas, mapaj lebak njukang djungkrang anu garurawes, dugi ka kedah puntang kalong, ngalangkung [ 9 ]
leuweung geledegan anu pinuh ku kakajon anu parantos djaranggotan.

Sakapeung kapaksa ngaraas njuktjruk-njuktjruk walungan. Unggal taun dina sasih kalima, kaping 17 na, Puun sareng baturna dalapan djelema lalaki sadajana darongkap ka Artja-Domas kedah ngaberesihan sareng ngadangdosan sugri anu resak nanging sadajana dipidamelna kedah ku leungeun Puun pribadi, teu kenging ku anu sanes.

Di dinja ngarereb dua wengi.

Dina dinten kaduana sidekah ditalahab (hartosna: balandongan atanapi elos, adegan hateupna awi kenging meulahan).

Di dinja aja sababaraha petak, seueurna aja 13 petak, aja nu ageung aja nu alit petakanana.

Sadaja petak tea ngudjur ti Kaler ka Kidul. Dina petak kahidji aja batu-batu dihunjud-hunjudkeun pinuh ku lukut, sareng dina lolengkrangan dipelakan tangkal dengkir. Ieu petak tetela kuburan (makam).

Petak kadua rada heureut, kosong teu aja naon-naon.

Petak katilu ageung bangunna pasagi, aja lima makam. Sareng di dinja aja batu nangger (lingga?) rada dojong pinuh ku lukut.

Petak anu kaopat, kalima hareureut aralit sareng teu aja eusina.

Petak anu kagenep, ageung. Di dinja aja: Sasaka pakumbahan teu daekeun saat, bangunna buleud (djadjambaran atanapi djambangan paragi sibanjo) anu djadi ku maneh pinuh ku lukut. Di deukeutna aja dua makam, paesanana (tutunggulna) nangger ditangtungkeun.

Petak ka 7, 8, 9, 10, 11, 12, 13, aralit sareng kosong teu aja eusian.

Ieu Artja-Domas kalingkung ku Tjiudjung, dupi palih Kidulna djungkrang anu lungkawing pisan.

[ 10 ]Ajeuna kantun nalungtik, makam saha eta teh, naha karuhun urang Baduj bae, atanapi nja di dinja makamna Perebu Siliwangi sareng eusi karaton anu lolos ti Padjadjaran tea?

Urang Badujna mung nerangkeun, jen eta tempat teh pangantjikan para Hijang sareng njawa anu parantos sah ti dunja anu aja dina rahmatna Batara Tunggal. Dupi eta kuburan-kuburan teh, makamna luluhur Baduj anu djenenganana teu meunang diomongkeun. Nanging ningal raratan sareng katerangan anu sanes, moal lepat kawasna Perebu Siliwangi anu panutup sareng sabaladna (eusi karaton) anu lolos ti Padjadjaran tea, mung teu kenging disebat djenenganana, ari ku urang Baduj mah.

Artja-Domas teh ari ku urang dinjana mah sok disebat sasaka para pusaka deui.

Numutkeun katerangan Prof. Veth, Artja-Domas teh hartosna: kumpulan 800 artja.


Urang Baduj teu aral sumaba kaluar ti lemburna, saumur-umur ulu kutek di wewengkonna bae. Nia radjeun aja anu kapaksa liar, upami katjida perluna; sapertos balandja ka pasar (kana ondangan Pangawulaan Serang atanapi Rangkas).

Dupi awewe sareng barudak mah henteu pisan kenging liar, dalah ingkah ti lembur njaba ka papada Baduj deui, upami ngendong mah teu kenging.

Djadi tjindekna urang Baduj mah ngahadja misah ngadjauhan dunja, ngahadja tatapa misahkeun maneh ti anu seueur, ngurungan atanapi ngubur maneh hirup-hirup teh sajaktosna.

Eta patempatan keuna pisan upami disebat patapan, atanapi ningal sareatna, keuna pisan upami dibasakeun kuburan djelema hirup. Dupi margina, teu benten ti makam, saurilingna dikubeng ku tatangkalan anu biasa kapendak ku urang di padjaratan, ieu teh minangka bentengna, [ 11 ]nja eta ku tangkal: handjuang beureum, katomas (puring), gandarusa, wera, handeuleum beureum, salak sareng dukuh.

Ajeuna djol bae kapanasaran, hajang ngilari katerangan, naon margina nu mawi urang Baduj hirupna sapertos anu tatapa? Naon margina nu mawi mantrang sumaba sareng mitjeun sagala kasukan dunja? Naon margina nu mawi lagu-laguna sareng kawih-kawihna, bet anu sakitu matak nalalangsana anu matak sararedih bae, malah tatabeuhanana mung ukur katjapi? Naha naon anu djadi marga lantaranana?


Sakumaha anu parantos kaunggel tadi di luhur, urang Baduj teh agamana Buda, anu biasa sok ngagedekeun tatapa tea.

Dina agama Buda aja pantrangan anu disebat dana sila sareng pantja sila, hartosna sapuluh (atawa lima) tjegahan nu djadi ugeran faku.

Nia eta kedah nekadkeun:

  1. Moal megatkeun njawa nu lian.
  2. Moal mibanda pangaboga nu lian.
  3. Moal linjok moal bohong.
  4. Moal mirutjaan kana inuman nu matak mabok.
  5. Moal midua ati ka nu sedjen.
  6. Moal barang dahar dina waktu nu kakurung ku peuting.
  7. Moal make kekembangan djeung seuseungitan.
  8. Moal ngagenah-genah geusan sare, rek ngagoler dina samak.
  9. Moal njukakeun ati ku igel, ku gamelan, kawih atawa tembang, djeung ku ria-ria lianna.
  10. Moal make emas atawa salaka.

Tah, ieu dasa-sila aja keneh di urang Baduj, nadjan parantos aja robahanana oge henteu-sahinasna pisan, nanging sipat nu saraena perbawa eta ugeran, napel pageuh teu laas keuna ku muntah.

[ 12 ]Kana peupeuntjitan pokna bujut, nja kitu deui kana dahar daging bagong, kuda, sapi sareng salianna, tara, da tjadu; kadjabi mentjek, peutjang sareng untjal: Kitu oge tara dipeuntjit kaluar getihna, sapaeh-paehna ku gegendir atanapi pameupeuh bae, sareng sanes sakama-kama kengingna dahar daging eta oge, aja waktosna.

Aja oge nu sok didalahar sagawajah nja eta: sigung (tjeuk urang dinja mah: sogung), lalaj (madjarkeun teh: manuk leuleus, tjenah), sareng lauk tjai.

Kumaha ari kana bohong atanapi mipit teu amit, ngala teu menta, tjuraling tjulang-tjaling sok pandjang leungeun?

Djadjauheun urang Baduj mah; teu wawuh sareng ukal-ekol pangarahan teh, ieu mah estu nilas saplasna ngadek satjekna. Upami aja nu kanjahoan tjelenan-tjelenun, parantos teu pandjang tjarios deui kedah harita keneh ditundung, ladjeng dipitjeun ka hidji tempat minangka pangbuanganana.

Kana tjalanas-tjolonos ka anu sanes hadasna, teu terang urang Baduj mah, teu aja kitu teh, estu dipangkring ku pantrangan anu kereng pisan, bisi njoledat kana lampah karinah. Tumerap dina adatna, awewe anu parantos gaduh salaki, teu kenging kulutjas-keletjis huruwas-harewos njarios sareng nu sanes.

Kasukaan ngan wungkul mantun nanging kawas sanes ria² pangberah goang, ieu mah ngawawaas ngakelar maneh, ngebrehkeun kanalangsa hate, tawis sedih peurih ati; ras ka alam Padjadjaran, waktosna nudju luhung pinundjul; njarios dibarung hariring diselang kentrung katjapi.

Radjeun sok aja nu ngangklung, nanging lian ti eta mah teu aja.

Lembur urang Baduj teh aja dua rupi, nja eta hidii anu biasa disebat kampung djero atanapi kadjeroan, tanah larangan, sareng kadua, kampung panamping, atanapi kaluaran, kampung luar.

[ 13 ]

Atra tętela dina beungeut urang Baduj mah, gambar sifat kadjembaran hatena sanes nu kalangkung luak leok, ngolembar babari gedag.

Anu disebat kampung djero, aja tilu luwuk nja eta: lembur Tjikeusik, Tjikartawana sareng Tjibeo, hidji-hidjina dikuta ku benteng tatangkalan anu biasa kapendak di kuburan. Djumlahna umpi dina ieu nu tilu lembur teu kenging langkung ti 40 kuren (eta teh sanes hidji lembur, nanging di anu tilu tea). Djiwana mah di kampung djero teh langkung ti 40 kuren, margi randa sareng barudak mah henteu kaetang. (Dina mangsa tuan Meijer sumping ka dinja, djumblahna urang kampung djero teh aja 184 djiwa).

Upami salah sahidji umpi ti anu 40 tea aja nu maot, eta kedah enggal digentosan ku anu parantos kurenan ti kampung luar, bawahan Puun nu kapapatenan tea, numutkeun pitjadangeunana.

Upami anak urang Kadjeroan aja nu kawin, djadi parantos kurenan, eta kedah aja nu enggal dikaluarkeun, [ 14 ]biasana anu parantos kolot, supados di kampung djero teu langkung ti 40 kuren.

Unggal kampung djero aja Puunna, djadi aja tilu puun sadajana.

Eta kampung djero tiluanana mandjang, ngudjur ti Kidul ka Kaler, lenang lingih bareresih.

Rorompok Puun anu pangkidulna majun ngaler atanapi panggirangna majun ngaler, teu kenging aja adegan sanes sakiduleunana, dupi rorompok urang djero anu ngadjadjar djadi dua baris, sisi Kulon sareng sisi Wetan, sabangun sapotongan saauran. Dupi di tungtung palih Kidul aja bale majun ngidul, djadi paeunteung-eunteung sareng rorompok Puun.

Sapengkereun bale palih tengah aja rorompok lisung disaungan. Unggal pengkereun rorompok aja leuit.

Rorompok-rorompokna meh sami bae sareng rorompok urang Sunda di pagunungan (pasisian), tihang kai dibilik, hateupna kiraj, wuwungna ku indjuk, kolong rorompok luhurna sameter dianggo parandje. Paranti turun unggah ka rorompok nganggo papangge. Ka pajunna nganggo tepas atanapi emper. Sisi papangge kedah bae naranggeuh lodong atanapi kele dieusi tjai.

Pantona rada pendek sareng singget (aja sapertos panto rorompok urang sisi bae) tengah rorompok ngoblog, di dinja ajana pakarang: gedogan, wuluku, patjul, papakean sareng sadjabi ti eta, raweuj biasa pabalatak. Di sisi bilik pengker palih kiwa aja parako, di sisi Kidul aja samak ngagebar sareng anggelna, (didjedjelan sanes ku kapuk, nanging ku siki kapas ditjampur kararas), nja ieu enggonna paragi sare. Salamina urang Baduj mah sararena kedah njanggirah ngidul.

Di para-seuneu kedah bae aja kusi (bangsa salipi, kaneron) ngagantung, anu didamelna daun tjangkuang dianjam, nja eta wadah ujah kabujutan.

[ 15 ]Di lebet rorompok mulek ku haseup, pararoëk, da mung aja lolongok bae hidji dina bilik pengker, bangunna pasagi disarigsig ku awi, anu minangka djandelana teh.

Dina bilik kedah bae aja keris sareng gobang. Dina pamidanganana (galar) sok aja eunteung alit nu alihan tea, paranti awewe upami ngaluis.

Rorompok Puun oge nja sapertos kitu bae, mung langkung ageng.

Dupi eta bale tea pandjang, rubakna 5 meter langgongna 3 meter damelna paragi kumpulan, riungan, mantun (sukan-sukan minangkana), paranti hahadjatan, mutus perkara sareng sadjabi ti eta. Pantona dua kiwa-tengen. Panto anu kahidji langkung luhur batan anu hidji deui, nja ieu paragi lebet Puun; di lebetna oge nganggo dua hambal sapotong luhur sapotong handap, kinten-kinten 3 dm. umpakanana; dina bilik pengker aja lolongok pasagi minangka djandelana.


PUUN

Pangkat Puun teh turun-tumurun sapertos bupati didjaman Pamarentahan Walanda sareng anu digadang- gadang pipuuneun kedah parantos ditangtukeun ku Puun keurna hirup keneh.

Puun gaduhna bodjo satiasa-tiasa kedah ka anak Puun deui ti lembur sanes; sareng salamina kedah gaduh bodjo, upami bodjona maot kedah liren tina djadi Puun, margi gaduh bodjo mindo mah, tara, nadjan eta mah sanes bujut, nanging parantos djadi adat, tara tjruktjrek sapertos urang; eta sadaja urang Baduj mah kitu, sanes mung Puun na bae; teu aja nu gaduh popotongan, maru atanapi basa tere teh.

Puun nu djadi bupatina, ngaheujeuk nagara ngarangkep djadi kapala agama, anu nanggung beubeurat djiwa sabawahanana. [ 16 ]Panginten parebut pada hajang kapilih djadi Puun, mun di urang mah!

Henteu, urang Baduj mah! Nadjan Puun nu djadi ratuna, pangmuljana pangkawasana, nanging seueur anu tjeurik, upami kapilih kana djadi Puun teh, tampolana aja nu minggat mitjeun maneh. (Sapertos Ki Djapar urang Baduj nu aja di kabupaten Serang). Dupi margina, nja eta tina emut kana tanggelanana, kana beubeuratna, kana papaitna anu djadi wadjibna.

Tumerap dina rasana papait nu djadi Puun, kedah djadi wawakil Batara Tunggal teh, kedah ngaraksa sareng nangtajungan djiwa sapangeusi Baduj. Sanes deui sareng di urang, kaseueuranana djelema teh mung haripeut kana mamanisna wungkul.

Puun ngadjalankeunana Pamarentahan, dibantu ku Girang Seurat anu minangka papatihna (sanes secretaris), sareng ku pangasuh kokolot.

Dina keur riungan-riungan, keur hahadjatan atanapi naon-naon bae gawe kaperluan agama. Puun teh misah ti anu seueur, dilangkungkeun ti sasari diadjenanana, ditenggangkeun kahormatanana, sareng dina waktos kitu wuwuh diagungkeun ku sesebatan; harita mah tara disarebat Puun nanging: Girang Pudja atanapi Srangenge atanapi Karolot.

Ari kenging gadjih mah Puun teh henteu, mung padjegna ka Pamarentah ku sarerea, kenging rorompok kaprabon, diadjenan dilangkungkeun ti anu sanes. Pangupadjiwana aja matjul ku maneh bae, Puun oge guar tanah sapertos anu sanes teu aja bentenna ari dina kituna mah.

Anu djadi Girang Seurat sareng Pangasuh Kokolot, diangkatna ku Puun, teu aja pisan kauntunganana, mung pangkat kahormatan bae, teu nampi pangadjenan, da anu sanes, basana ka eta pangkat teh, basa sapertos ka sasamana bae, mung wungkul kapapantjenan gawe. [ 17 ]Babakuna gawena nja eta ngatur sareng ngurus huma- serang (Hartosna: huma anu kedah digarap ku sarerea sareng kekenginganana ku sarerea, keur kaperluan dina hahadjatan agama, dina hadjat Kawalu, dina ngurus merbait, upami aja nu kapapatenan, sareng ngatur urusan agama). Dupi Kokolot, lian ti djadi tangan-tangan atanapi pakatjar Girang Seurat, nja eta djadi tukang marentah sareng ngatur urang panamping deui.

Kadjabi ti Puun, Girang Seurat sareng Kokolot, aja deui, parekan, seueurna tudjuh djelema, anu djadi rengrengan dina nimbang, perkawis agama atanapi drigamą, anu kedah dibarempagkeun ku Puun.



HUMA-SERANG.

Di unggal sisi lembur nu tilu tea, aja saluwuk tanah kenging milih Puun, anu kedah digarap ku pangeusi lembur eta, nja eta anu disebat huma-serang tea.

Aja deui saluwuk, anu kedah digarap ku sarerea ti anu tilu lembur tea, ieu oge huma-serang keneh.

Kekenginganana tina huma-serang teh pikeun hahadjatan hadjat lahan sareng sadjabi ti eta.

Dina prakna ngagarap huma-serang. Puun, Girang Seurat oge ngiring digawe, dipantrang pisan teu kenging njiduh, teu kenging ngesang, teu kenging kiih; eta margina sabotna digarawe tara ngarinum. Barudak sareng awewe teu kenging milu digawe.

Bibit pelakeunneun di huma-serang tea kedah nu asal ti huma-serang deui, henteu kenging sambarang pare.

Anu ngadjedjeman huma-serang ti mitembejan dugi ka dibuatna, nja Girang Seurat tea.

Parena diampihanana di bale, sanes di leuit. Makajana tangtu waktuna, henteu sagawajah bae, bareng sarerea teu kenging pakarentjilan, nja eta;

[ 18 ]

Njatjar dina tanggal 28 sasih Sapar
Ngabersihanana tanggal 22 sasih Kanem
Njundut tanggal 17 sasih Kapitu
Tebar tanggal 22 sasih Kapitu
Ngojos tanggal 18 sasih Kasalapan
Dibuat tanggal 7 sasih Kasa.

Sarengsena tina unggal gawe tea ku maranehanana dianggap rijaja, sadaja bale baresih, marake papakean sarwa bodas anu sarae, sarukan-sukan, malah dina parantos ngaseuk mah, nganggo nabeuh angklung sagala rupi.




KAWALU

Dupi pesta anu pang agengna nja eta dina hadjat Kawalu, minangka tawis suka bade panen, nohonan agama. Dupi eta pesta kawalu teh tilu kali, nja eta:

Kahidji: Kawalu-mitembejan dina sasih Kasa, di mana pare parantos asak, tereh dipibuatan, minangka njalin.

Kadua: Kawalu-tengah, dina sasih Karo, sarengsena dibuat.

Katilu: Kawalu-tutug, dina sasih Katiga, saparantos ngakut, ampih pare.

Waktuna eta nu tilu Kawalu ditangtukeun ku Puun Tjikeusik.

Kawalu tutug, ditema ku hadjat laksa tea.

Prak-prakanana pesta kawalu kieu:

Dina dintenan pesta tea endjing-endjing djelema- djelema kempel di kampung-djero, nja babakuna di bale tea, kenging marake nu sarae.

Girang Seurat sareng djelema anu kapilih, brul ka imah Puun, gek dariuk di tepas, dek njarieun antjak, sameter pasagi agengna, kedah ngadamel salapan. Tangange kedah parantos, sok bae antjak tea mah di tepas Puun.

[ 19 ]Dua djelema anu mentas digawe ku Girang Seurat dipetakeun kana njapuan djalan, ti rorompok Puun ka bale, kedah lenang pisan. Sarengsena digawe kempel deui di rorompok Puun, sareng saparantos kinten-kinten sapanjeupahan brul Puun, Girang Seurat sareng sadaja djelema tea ka walungan, leumpangna ngantaj, pada ngabarantun handjuang beureum.

Barang parantos darongkap ka sisi walungan, prak ngaralaan badju njuplak iket, tjlom handjuang dikana-tjaikeun, dianggo ngepretan sirahna. Lung handjuang teh dipalidkeun.

Tidinja nembe ngaralaan samping sarerea, brus marandi, nanging teu geruh teu kenging haliwu.

Ti walungan brul deui karorompok Puun, brak bararang dahar di tepas, ti dieu brul sararea ka bale.

Sabot lalaki keur njieun antjak di rorompok Puun, awewe-awewe digarawe di rorompok Girang Seurat, njajagikeun anggoeun sidekah tea.

Saparantos kadaharan asak, ladjeng dibarantun ka rorompok Puun, dipasrahkeun ka bodjo Puun, prak ngeusian antjak nu salapan tea.

Anu saantjak eusina seupaheun (djambe samajang, seureuh 20 beungkeut, apu 10 bungkus), ieu antjak disuhun ku anak Puun dibantun ka bale, ditampanan ku Girang Seurat, ladjeng dibagikeun.

Antjak nu sapalih deui dieusian sangu sareng lalawuhna, ngabantunna ka bale diatur.

Ngawitan anak Puun nangtung di buruan, njanghareup ngulon, sok antjak sina ditampanan kedah ditanggeuj, nembe ngesed ngaler (ngalengkah ka gigir, teu kenging malik), djol ditema ku anu sanes dina tilas nangtung anak Puun tea, sok deui sina nanggeuj antjak anu kadua; sed deui ngesed anak Puun teh, dituturkeun ku anu pandeuri, sareng saladjengna madjuna ka gigir, ngabaris dugi ka bale.

[ 20 ]Di bale ditampi ku Girang Seurat.

Breg awewe-lalaki kabale, ladjeng brak ngariung; nanging katedaan sareng seupaheun tea mah diberekat bae henteu diteda di dinja. Ladjeng bubar.

Di rorompok Puun parantos sajagi katedaan deui, sareng sabubar anu ti bale, ieu oge dibagikeun saidangan duaaneun, ka budak-budak kabagi; nja ieu anu ditareda tea mah sanes anu ti bale tea.

Ka bale oge aja idangan anu dibantun, bilih aja nu sanes, tamu atanapi urang kampung luar, dalaharna nja di bale.

Memeh prak nareda, henteu ngadoa heula, nanging ... top njomot sangu sakeupeul, sok dina palupuh, tjong maranehanana njembah, pek sangu anu satjomot teh dikana embun-embunankeun, parantos kitu brak dalahar, Mung dina waktu ieu kengingna nareda saparantos surup panon-poë teh, sareng supados teu poëk, marake obor ku tamiang (bunar).

Duda sareng djadjaka teu warangsul, ladjeng bae suka-suka di bale marantun, ngatjapi silih genti.

Djanari djot Puun dongkap ka bale, bade ngabantun pare kekengingan ti huma-serang tea, dipasrahkeun ka awewe-awewe sina ditutu, keur ngadamel laksa.

Dupi hadjat laksa, kieu aturanana:

Samemehna Kawalu-tutug, ti anggalna keneh, Puun parantos marentah moro, kedah kenging hirupna:

Mentjek, peutjang, buut, peusing. Ari ti walungan kedah kenging, susuh, hurang sareng lauk tjenang.

Dina waktuna hadjat, parantos sadia tipung, ladjeng sapalih didamel laksa, sapalih didamel boneka.

Bonekana, beungeutna dibalur ku koneng, biwirnal diluahan tjara nu njeupah, bulu panon sareng halisna dihideungan ku haranggasu. Dupi nu kapapantjenan ngadamel boneka teh, bodjo Girang Seurat.

Saparantos boneka tea rada tuhur, sok didiukkeun dina njiru (anu didamelna daun kawung), rap didangdanan. [ 21 ]Sakatuhueun boneka diteundeunan lantjah maung, sakentjaeunana diteundeunan susuh, hurang sareng keujeup. Eta sadaja diwadahan deui dina tampir (tawur) anu pinuh ku takir (sanggem urang Baduj mah teke, nja eta daun tjau dipintjukkeun, dieusi laksa tea, seueurna sadjumblahna lalaki anu parantos sawawa di sakampungna. Eta takir daun tjau dipaselangkeun sareng daun tjangkuang, dibangunkeun djedjelemaan, saseueurna awewe.

Heuleut dua dinten katiluna ti saparantos kawalu tea, bring tampir boneka teh diiring-iringankeun dibantun ka leuweung. Sok diteundeun, sareng memeh ditinggalkeun, Puun mapatkeun djampe heula, kieu pokna:

Pun-pun, pun! ngaturkeun putri geulis lalandjar endah, parawan entang-entangan, basana njanda njurangga kana emas galigiran ngaturkeun ka susuguhan, rorongeng, mangka tjukul sing barang haturan meunangan sing barang witjara njilep ladandep songgang babaja mangka djauh ka balai.

Sakuriling tampir, ditantjeban tutumbakan njere, seueurna saseueurna lalaki nu aja harita. Mung palih kidul dikolowongkeun, nja eta pidjalaneun Batara Tunggal, sareng disajagikeun ruas awi tilu, dieusi waju (bangsa tuak, matak mabok), tjai sareng tjeungtjeum (angeun) didjagi ku langgir hirup.

Brul sarerea mah marulang, mung kantun kokolot bae saurang, tunggu ngintip di sisi leuweung sakedap.

Engke kokolot teh ngagero sataker tanaga, sing kadenge ka lembur, sareng ger ditembalan ku tatabeuhan, naon bae anu kenging ditakol mah ditabeuh, dugi ka ngaguruh, atuh awewe-awewena ger tutunggulan.

Barudak sadaja sina ngadedempes di rorompok. Dupi ngarak boneka teh minangka babakti istri ka Batara Tunggal, supados nangtajungan ka maranehna.

[ 22 ]Ari ieu kokolot ngagero tadi sareng rame tutunggulan sagala rupi tea, eta tawis numbas. (Geuning di urang oge aja keneh adat numbas ku njeungeut bedil atanapi mariem).

Saparantos salse, ladjeng marandi deui di walungan, sareng ger lalaki ngariung di bale, dupi awewe-awewe ngariung di rorompok Girang Seurat dahar balaketjrakan, lalawuhna lauk mentjek, peutjang, buut sareng peusing, anu kenging moro tea. Memeh prak dahar ajeuna mah didoaan heula ku Puun.


Urang Baduj langkung djarangkung ti urang Banten, sapantar sareng urang Priangan, Warugana sareseg sareng karuat; langkung tiasa leumpang di nu nandjak-mudun tinimbang di nu datar.

Pakulitanana semu koneng, teu aja nu hideung, paromanana sae, meh teu aja nu goreng patut pisan, sumawonten awewena mah. Anu tanpa daksa teu aja, berseka, marandi sadinten dua kali.


Upami urang gek sareng urang Baduj, ku sabrehan oge urang tiasa ngaduga sipat atina anu parantos kamara kasaeanana sakumaha anu parantos kaaruninga, sok ditjarioskeun dina buku-buku.

Atra tetela dina beungeut urang Baduj mah, gambar sipat kadjembaran hatena, sanes nu kalangkung luak-leok, ngolembar babari gedag. Mungguh di urang Baduj mah, teu aja pajangkad-pojongkod kajap-kejep, balaham-belehen teh, ieu mah teteg antjeg panger teger, nadjan njanghareup ka saha bae. Budi gambar balaka, taja karempan, pertjanten kana dirina, teu riuk ku gebrag deungeun, dina beungeut urang Baduj kenging dibatja ku sadaja. Sawangsulna ti tatangga nu sanes, anu memeh hol djelemana kapan pojongkod, ngabantun seber ati, [ 23 ]mang-mang, sieun kasawur ku rendjag, morodjol tembong miheulaan nu gaduhna. Urang Baduj estu weuteuh, satjerewelena adat watek warisan ti Padjadjaran, tatjan kalambon ku panggoda pangropea deungeun, anu sok naratajan tepa. Nja ieu gambar watek, ati, sareng taladjak Sunda tulen anu sajaktosna mah.


Atikan kana lempengna laku, henteu dilumajankeun, nadjan aja kasukaan mantun sareng ngawih oge, sanes merean djalan kana rutjah. Barudak lalaki anu parantos disunatan teu kenging sare di rorompok kolotna, nanging sadaja kedah sarare di bale tea, nja kitu deui djadjaka anu teu atjan laki-rabi; sareng dituguran ditalingakeun diatik ku hidji kolot. Dupi siang liar kana gawe, tamba nganggur diselang mantun, teu diumbar kana ngalamun njorangan. Ti barang surup panonpoë, sadaja eusi bale teu kenging aja nu liar.

Laki-rabina sadaja lulus runtut, teu aja nu pepegatan. Upami kadjadian aja patjogregan dugi ka bade pepegatan, eta enggal dipariksa disumus marga lantaranana ku Puun sareng rengrenganana tea. Saha anu katimbang lepat, ladjeng bae dibuang salah sahidji, atanapi upami lepat duanana, nja duanana ditundung. Puun nu ngaragragkeun hukuman.

Nadjan umur 7 taun, parantos dikaluarkeun tina golongan budak, kedah nulung gawe kolot, nanging urang Baduj teu aja nu ngawinkeun budak, sapertos anu ajeuna sok kapendak di bangsa urang. Urang Baduj mah teu aja nu nikah memeh umur 15 taun, biasana langkung, nja eta upami parantos ngaraos katimbang tjekap panemuna geusan hirup laki-rabi. Saur tuan Dr. Jacobs; awewe urang Baduj, ingetanana sareng pahamna kana gaduh salaki, tjaket atanapi bade ngabanding ka awewe-awewe bangsa Eropa.

[ 24 ]

Di urang Baduj mah teu aja pajangkad-pojongkod kajap-kejep, balaham-belehem teh. Ieu mah teteg antjeg panger teger, nadjan njanghareup ka saha bae.''


Upami aja djadjaka anu gaduh deuleu, aja landjang anu surup kana lelembutanana, lami dikantanankeunana, sareng dimana parantos aja untupan kana maradahna, sok ladjeng ngumaha, neda tulung ka kantjana anu sapapait-samamanis sareng manehna sina ngolongan ka kolot awewe. Si mitra ngiring nanggung papait, lara-wirangna kedah didjaga. Dimana parantos aja erongan, sareng djinis teu aja barebedanana, diuseupan ku sindir basa sandi sareng siloka, [ 25 ]
nembe si kantja tea dongkap ka kolot awewe ngabantun seupaheun bade mangnanjaankeun.

Upami seupaheun ditampi, nembe kedal tjarita nanjaan tea.

Nanging ...... kolotna nampi teh parantos asak badami sareng djinis, teu gana-gana nampi, upami djinis teu atjan puruneun, atjan panduk. Di urang Baduj teu aja kawin paksa, teu aja pangreremo kolot, kedah suka pada suka, kabarung kadoa kolot awewe.

Ti parantos ditampi panglamarna, pangterehna kedah bene-beureuh (papatjangan) dua sasih lamina, nembe nikah. Papatjanganana teh kedah kasaksi ku Puun sareng diembarkeun ka sarerea.

Ti barang bene-beureuh, pipanganteneun awewe sareng lalaki teh teu ara patanja, malah patepang oge satiasa-tiasa ulah mindeng teuing, namung kedah katjar anggang.

Dina waktosna nikah, panganten lalaki kedah ngabantun ali perak atanapi tamaga keur pibodjoeunana sareng sabuk tinun, ieu tawis ngadjadikeun, upami ditampi ku awewena, margi sok radjeun oge saar, teu tjios nikahna, upami robah hate awewe di salebet dua sasih tea. Nanging langka pisan aja kadjadian kitu teh.

Puun, anu ngatur dintenan nikah teh, nja eta dietang numutkeun palintangan, anu ninggang dina mustarina.

Dugi kana waktosna nikah, bring besan sareng panganten lalaki ka rorompok Puun.

Bapa lalaki masrahkeun (mikeun) anakna ka Puun, ku Puun ditampi, djadi eta djadjaka ajeuna diangken anak Puun; pok Puun ngarapalan, anu kedah diturutan ku panganten tea. Saparantosna sok dipasrahkeun ka mitohana, katampi ti leungeun Puun, sina dipasrahkeun deui ka anakna awewe tea, anu ajeuna parantos djadi rabina, kedah miboga eta djadjaka djadi salakina. [ 26 ]Saparantos beres ladjeng hadjat, sareng panganten kedah huaplingkung, tempatna di bale. Dina hahadjatan kieu, Puun diukna mung sorangan di bale hambalan luhur tea, njanghareupan pamasangan, dupi anu sanes mah sadaja di hambalan handap.

Harita sok ngarinum waju anu matak mabok tea.

Tepungna panganten awewe sareng lalaki, nadjan keur ninggang dina gunung suka, ku anu djadi lalaki kedah aja nu dipapatkeun babatjaan, kieu pokna: Tjupu manik tangkal dada, tan kumala eusina kumala inten.

Njanggemna kitu teh bari rap manehna njagap susu panganten awewe. Sareng omongan ieu deui: Malekat tjuluk kawali, mulia rasaning Allah.


Orok dibereanana ngaran ku Puun, sareng dugi ka maot tara gentos-gentos ngaran. Mung upami parantos gaduh anak sok katelah ku anak.

Tadi di luhur ditjarioskeun, jen urang Baduj teh disunatan, malah di unggal lembur aja bengkong (paradji sunat); pakakasna babango biasa bee. Memeh bret ngeureut, bengkong mapatkeun djampe, kieu pokpokanana:

Pun! Sirep sari kuning, sang rintjing-rintjing eukeurna bumi tatjan deuk ngarupa, kakara deuk awaking djeung nu rompes tiis bekanning birit leuwi, rep sirep keuna ku sirep sari kuning!


Upami aja nu udur, nja sok diubaran, mung ngubaranana sanes ngemutkeun kana hajang tereh tjageurna, nanging mung tamba supados ulah njeri teuing, margi ari tjageur-henteuna mah kumaha kersana Batara Tunggal.

Upami aja nu maot, dina imanna njawa teh disaur ku Batara Tunggal.

Anu maot dikukusan, menjanna tjangkang dukuh tuhur, kaju-garu, sareng akar djamaka.

[ 27 ]

Majit disiramanana di luar ku kokolot tea.
Bari njiraman manehna mapatkeun djampe ieu:
Puhatji balak bahan djati ngaran sirah tjai.
Puhatji keliran djati ngaran sisi tjai.
Puhatji inggulan djati ngaran batu.
Puhatji tasik manik ngaran keusik.
Puhatji lengsaran djati dasar tjai.
Sang mukeji ngaran tjai.
Sang ratu anggaramana ngaran njawa tjai.
Bersih badan sampurna.
Sang ratu kerepek seah ngaran parung.

Nguburna majit njanjirah ngulon njanghareup ngidul; saparantos dikurebkeun, aja deui nu mapatkeun djampe, kieu:

Ong ilaheng, ka ditu ulah teu puguh ngadjugdjugan, ka ditu ka kawung anu ngaluwuk, ka kalapa anu ngadjadjar, ka djambe anu ngaberes, ka si gelemeng hideung!

Upami aja nu katinggal maot kusalaki, heuleut tilu taun, kenging gaduh deui salaki, mung tara daraekeun, tina tuhu kasalakina anu maot tea.

Kadaharanana biasana meh sami bae sareng urang Sunda nu lian. Aja anu njarios kieu:

Urang Baduj sok ngarala lutung, dipeupeuh ku gegendir dugi ka paeh. Rap dibebed lutung bungkeuleukan teh ku upih, sok digantungkeun di para seuneu.

Engke aja nu njaktjlakan tina upih teh, tjai lutung tea, ditandean ku katung.

Upami maranehanana ngangeun hiris, sangkan pelem, sok ditambahan ku tjai lutung anu tina katung tea. Ieu teh djadi kanimatan anu pohara, wartosna.

Nedana sadinten tilu kali, isuk-isuk, tengah dinten sareng sonten memeh sareupna.

[ 28 ]Kongkorongok hajam sakali, djanari-djanari, sadaja awewe hararudang, teu aja nu ngalulungkut ngararasakeun kangedul, sarta prak mirun seuneu, naheur tjai ladjeng njangu keur njadiakeun tedaeun isuk-isuk.

Lalaki oge tara aja anu hudang kapiheulaan ku panonpoë; sarta parantos mumuluk brul kabeh kana gawe satjabakna-satjabakna.

Papakeanana kenging ninun awewena, teu kaselapan kenging meser sarta mung bodas sareng paul bae. Dupi kana rupa anu sanes mah sumawonna make, dalah njebat oge bujut. Sapertos kana beureum, teu kenging njebat beureum, da bujut, kedah siang. Kana hideung kedah peutjeuk.

Nja kitu deui seueur sato atanapi barang sedjen anu djadi pantrangan, teu kenging disebat ngaranna, tjontona:

Kana meri kedah kotok dempel.
Kana embe kedah mentjek kolong.
Kana beurit kedah sato geulis.
Kana kuda kedah tutumpakan.
Kana munding kedah tjotjooan.
Kana sigung kedah peutjang bau.

Sareng saladjengna. Nanging dina waktos mantun teu aja kapantrang, njebat naon bae kenging.


Tadi parantos ditjarioskeun, jen di unggal para seuneuna aja kussi ngagantung, wadah ujah nahun tea. Eta ujah reh djadi barang pusaka anu turun-tumurun, turun-tumurun, diwariskeun ka anak-intjuna; aja nu parantos teu mangrupi ujah, tina ku heubeul-heubeulna. Ajeuna mah diarampihan dipusti-pusti teh, parantos sanes emut kana gunana, nanging emutna teh kana pusaka tea, tanda tuhu ka karuhun.