Poesaka Soenda 1923-01-1(07)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1923-01-1(07)  (1923) 
[ - ] [ 97 ]
No. 7
Tahoen ka 1
Januari 1923

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 7

1. Pihatoer Redaksi katja
2. Babad Tjirebon (samboengan P. S. No. 4) "
3. Bab Wajang III "
4. Oenak-anik basa Soenda III "
5. Pasoendan (samboengan P. S. No. 5 katja 78) "
6. Biantara njoenatan "
7. Wawatjan Siliwangi "
8. Pihatoer Redaktie (Artos langganan) "


Pihatoer Redaksi

Dina sasih Januari katompérnakeun Redaktie parantos ngintunkeun Postkwitantie ka sadaya Juragan-juragan anu henteu acan mayar artos langganan, anu teu merlukeun ngabayuan Pusaka-Sunda.

Bilih baé aya anu parantos ngintunkeun artos langganan, wuri-wuri nampi panagihan, mugi ulah bendu réh manawi artos sareng panagihan paliwat di jalan.

Kajabi ti éta unjuk uninga ka langganan anyar anu teu acan nampi P. S. anu lami (No. 2-3-4) mugi sabar ngantos jumlahna langganan jejeg 1500, margi P. S. No. 2-3-4-5 parantos séép pisan. Ku margi éta panuhun Redaktie mugi kanca anu sanés énggal sina langganan ti ayeuna bilih kaporotan deui sapertos anu parantos-parantos.

Ka para Juragan anu teu acan ngintun artos langganan, disuhunkeun supados énggal ngintunkeun dina sasih-sasih ieu supados P. S. ulah ngarandapan “Lakuning biheung”.

97
 
[ 98 ]

Babad Tjirebon.
(Samboengan P. S. No. 4).


Kajabi ti Saba Kingkin aya deui putra Sunan Jati ti putri Kawung Nganten téh, istri hiji, jenenganana Ratu Winahon.

Teu sakumaha lamina ti harita, nya ngawitan aya musuh anu pikarémpaneun pisan, nya éta bangsa kulit putih téa.

Sumawonten Patih Keling téa mah teu kira-kira baé hariwangeunana ngadangu aya musuh anu jolna ti tatar kulon téh, lantaran dina émutanana geus moal boa deui, tangtu anu nyusul anjeunna ti nagarana. Ku margi éta taki-taki tohaga pisan, sayaga gagaman perang geusan ngayonan musuh anu baris ngajorag téa. Anjeunna paheuyeuk-heuyeuk sareng Pangéran Cirebon, sarta sabilulungan bari nyangga satru nu bakal ngarurug. Malah Dipati Cangkuang ogé henteu pisan cicingeun, anjeunna ngiring caringcing, émut kagungan pusaka panulak bahla anu kudu dipetakeunana di mana datang siku diwulu-wulu galagah kancana. Ku margi ku anjeunna kamanah yén harita geus nincak kana mangsana ngagunakeun pusaka téa, lajeng baé dipetakeun, pusaka dibuka di sakiduleun hiji gunung, nya jadi kawah, mulek ngaluarkeun haseup racun, minangka pangjaga kota, panundung musuh anu ngarurug.

. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

Kacarioseun putrana Maolana Hud Ratu di Tanah Arab, sadérék misan Sunan G. Jati, kénging bebendon ti ramana, dugi ka ditundung teu kénging aya di nagara, lantaran resep kana kirik, ngalanggar panyegah rama. Nya anjeunna lunta ti nagara angkat ka Jawa, nyandak balad tilu kapal, katut jeung dunya barana. Ngantunna Nagara disarengan ku sadérékna anu istri jenenganana Siti Bagdad, sareng wargi-wargina anu lalandes anu béla tumutur ka anjeunna, saperti Pangéran Pelalungan, Wilangan (?) Séh Dato Kahpi. Sumpingna ka dieu lajeng bumén-bumén di Sembung, di Jati, di Junti, di Japura. Dupi jenenganana éta putra raja Bagdad téh, Maolana Abdurahman, ari ku urang dieu mah ditelahkeunana téh Pangéran Dipangayun.

Sunan Jati sareng Raja Lahut ngaraos jadi pribumi, uninga aya tamu téh énggal mapag, ngahormat nu nembé sumping, diangkir dihaturanan linggih ka bumina. Sasumpingna ka bumi lajeng lalinggih gunem catur sawala adu carita.

Tatamu mariksa ka pribumi, naon anu jadi pakarepan, naon anu jadi andelan, pang Sunan Jati wantun lunta ti tanah Arab, sareng naon anu jadi pasejaan pang mendakan ka anjeunna, malah mariksakeun naon cacandakan Maolana Jati anu mawi kaduga sumping ka Jawa.

Ku Sunan G. Jati dicarioskeun yén anjeunna mah angkatna ti Arab mung ukur mekel sahadat anu kalimahna dua, teu pisan rébo ku barang riba.

Pangéran Panjunan (tamu téa) ngahuleng ngadangu dawuhan Maolana Jati nyundul pihatur, nembé anjeunna sasauran deui. Saurna, “Keur naon gunana mamawa sahadat, jeung naha anon perluna maké kudu sahadat deui, da geus baroga jeung geus bararisa kitu-kitu baé mah, asa tanpa guna milampah anu biasa, jeung deui rasa kakang mah montong teuing salat puasa, matak baé engkv kasaliru.”

Ku Maolana Jati tatamu téh dianteur baé heula sakersana, henteu ditaragal dihalang-halang sumawonna dicempad mah teu pisan-pisan. Mung lami-lami lajeng dipariksa dilelekan, dawuhanana, “Naon atuh anu kudu jadi poko patékadan hirup urang téh? Sareng upami ku raka kamanah yén rai kaliru tuna pangabisa, éta taya lian ngan lantaran rai bodo kénéh, mangga atuh rai wurukan sing tepi ka pinterna.”

Tamu haget ngawulang ka Maolana Jati, élmu patékadan kéngingna guru ti hiji séh di Bagdad anu jenenganana Séh Junédi, sarta saurna ka Maolana Jati, “Ku kakang mah élmu téh dicekel deleg baé, henteu arék ngaropéla réa peta deui, da geus tetes kana élmu sajatining tohid, iya Allah ya Muhamad, ya

98
 
[ 99 ]Moehamad ya ingsun, wuruk guru Sayid Junédi ing Bagdad.”

Sadaya wuruk tamu ku Sunan Jati parantos kadangu, sarta kauningan yén wulang Ratu Panjunan téh anu ilahar disarebut tékad Jabariah téa.

Ti dinya nembé ku Sunan Jati dibuka gotakana, didawuhkeun ku anjeunna ka tamu, yén ana kitu, éta mah tékad tanpa puara, taya pitemaheunana, teu tigin kana pigeusaneun ancik-ancikan teu puguh wekasanana, ahirna ingkar tina basa sirna, da kumalendang di kieuna, kakurung kénéh ku lahir, aya dina kalang dunya, kasarad ilahar sebutanana.

Satamatna Maolana Jati maparin piterang wuruk anu jadi bongbolongan, nyaangan manah Pangéran Panjunan, wejang nyerep kana sanubari anu nguping, nyata atra dina rasa sasarna luang anu geus kasorang ka tukang, nya Pangéran Panjunan sujud dina kalbu, lajeng layeut tamu tumut ka Maolana Jati, sumerah masrahkeun raga jeung nyawa.

Balad-balad miwah kapal sareng samaktana ku Pangéran Panjunan disanggakeun ka Maolana Jati, anjeunna mah mung ukur mundut tanah baé saperluna pigeusaneun suka betah, linggih sabot nganti-nganti ajal, réh badé tetep renggenek di dinya, moal mulih deui ka bali geusanna ngajadi, tina ngaraos perelu nyeuseuh salira, anu geus karandapan iman sasar. Dupi ngabagawanna téh nya di Waringin-Pitu.

. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

Kacarios lami-lami jol sumping hiji istri ti Tepasa-adi, teras dipigarwa ku Maolana Jati, nya ibuna Pangéran Pasaréan, sareng Putri Ratu Ayu.

Ti garwa anu sanés deui Maolana Jati kagungan putra dua, duanana pameget, anu hiji Pangéran Kalana, anu hiji deui Pangéran Sedang Lautan (hartosna Séda ing lautan, pupus di laut). Ari éta Pangéran Pasaréan téh, nya anu ngarundaykeun raja-raja Cirebon.

. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

Sadayana raja-raja di Tanah Sunda harita ku Maolana Jati, anu baha kana pangajakna supaya ganti agama, parantos dilindih diperangan ditaluk-talukkeun.

Urang Talaga, Kuningan, Raja Galuh, Ciamis, Panjalu, Sindangkasih, anutna kana Islam téh, lain léah énggal sumangga, tapi kungsi tarung perang ngadukeun pucuk pakarang, toh pati jiwa raga, lantaran anu jadi luluguna ngukuhan ageman warisan karuhunna. Anu jadi senapati Kuningan anu ngalawan naruhkeun umur, jenenganana Sunan Buntasenjang, Dalem Iban Palimanan sareng Dalem Wanaparta baladna campur sareng ti Kawali Ciamis Panjalu téa, ngalawan senapati Islam anu dikapalaan ku Séh Gilang-hérang sareng Dalem Kamuning. Nya harita Dalem Kamuning senapati Islam, kadéséh lantaran keur perang tanding jeung Dipati Wanaparta, kasarimped kabeulit ku areuy oyong, tigebrus kana embel.

Dupi urang Sumedang Bandung Cianjur mah lebet Islam téh suka sorangan baé. Nya kitu deui Bogor Jaketra jeung Ujung Banten teu sakumaha matak ngahésékeunana.

Ku margi rupi-rupi anu jadi margi, anu narik kana kudu ngayakeun aturan, lajeng ku Maolana Jati para putrana dicarahcalkeun, diangkat jadi raja di sababaraha tempat, nya éta Raja Lahut ngasta Jaketra, Sabakingking di Banten, Haji Duliman ngalinggihan patilasan Pajajaran, Raja Sanggara linggih di Tegalluar. Jadi ti harita mah agama Islam téh geus sumebar nereab di sakuliah Pasundan.

. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

Kacarioskeun Sunan Ampél tei kana jangji puput yuswa mulih ka Kalanggengan. Para Wali kempel sadayana di Ampél, sareng sabada réngsé nguruskeun nu pupus, sadaya Wali sapuk sabilulungan nangtoskeun anu bakal jadi pigentoseunana. Nya brul arangkat ka Indra Giri Gajah, réh nya Sunan Giri anu dijungjung lungguh jumeneng ratu pandita kapala agama di sakuliah Jawa-wétan.

Di dinya para Wali kantos sawala heula, rebut bener ngilari jalan sampurna, sangkan Wali anu salapan henteu aya anu tojaiah dina bagbagan sara agama, ulah sulaya pasalingsingan.

99
 
[ 100 ]

Nja ladjeng sadajana para Wali pada ngababarkeun toetoengkoesan kalboe, nerangkeun djatining Allah, sakadar anoe beunang didadar koe saoer.

(Soepados oelah pandjang teuing di dieu mah moal ditetek sadajana, moeng dilebetkeun sapalih-paliheun bae.)

Dawoehan Kangdjeng Sinoehoen Bonang. Ari Allah tea lain datna anoe koedoe disembah, tapi anoe njembah eta saenjana anoe koedoe disembah.

Dawoehan Soenan Kali: Ari anoe diseboet Allah eta anoe ningali teu beda anoe ditingali tingkang toemingal bolen wonten sanesira lajan ingkang tiningalan doeloe dinoeloe priangga).

Doepi dawoehan She Lemah Abang kieu: Ari saenjana anoe diseboet Allah tea nja Ingsoen, mohal ajana Allah lamoen lain a kalawan kaoela, kawoela ngabadan Allah.

Barang para Wali ngadangoe dawoehan She Lemah Abang kitoe, sadaja pada teu roedjoek. Saoer Molana Magrib: Moal enja aja djisim kitoe ngaranna, mohal aja Allah warna roepa, soelaja ti hoekoem sara.

Dawoehan Soenan Koedoes: Ari antar Allahredjeung Kaoela mah hr srangngenge isoek djeung sore, diseboet hidji teu sami, dibasakeun doea teu beda.

Dawoehan Soenan Giri: Ari anoe dingaranan Allah djeung kawoela mah, ibarat Ki Dalang anoe keur ngawajang mana anoe djadi Kaoelana, dalangna atawa wajangna saha anoe njaho ngaran kaoela lamoen tea ngabasakeun maneh kaoela. Tapi dimana geus djoemeneng kaoela, didinja aja seseboetan, djoedjoeloek Praboe Sasmata.

. . . . . . . . . .

Dina sawala harita tetela jen She Lemah Abang henteu saaleutan sareng para Wali anoe sanes, Tapi nadjan direntog koe sadaja pedah nembrak teu aja aling-alingna, andjeunna keukeuh pageuh teu kenging dipoekah tina netepan agemanana, teu pisan gimir koe hoekoem lahir anoe bakal toemiba ka salirana.

. . . . . . . . . .

Nalika Soenan Goenoeng Djati diistrenan ngadeg nalendra, djoemeneng Ratoe Pandita, di Tjirebon ngadegkeun masdjid Agoeng, di tegal pangalang-ngalang, dingaranan TJIPTARASA. Demi bahanna eta masjid beunang dadahoet ti mana-mana. Sasaka Kembarna (tihang doea noe ngarendeng) kaina beunang njandak ti Irak djeung Mesir, ari anoe sedjen deui aja anoe ti Djidah aja anoe ti Banisrail.

. . . . . . . .

Dina hidji mangsa para Wali kempelan deui di Demak, reh bade ngangkat Raden Patah djadi Radja Tanah Djawa. Sarta sakalian sadajana baris barempag pidjalaneun nempoeh Madjapait. Nja harita deui masdjid Agoeng Demak teh diadegkeunana.

Anoe kapilih djadi senapati ngaroeroeg Madjapait teh Soesoehoenan Oendoeng, ana dilawan ti ditoe koe Dipati Teroeng saderek Raden Patah anoe ti Palembang tea. Soenan Oendoeng kasambeoet ing dana laga, poepoes di pangperangan.

. . . . . . . . .

Saparantos masdjid agoeng Demak ngadeg, para Wali soelaja manah, reh dina raragana eta masdjid henteu ninggang pisan kana kiblat , tjeuk tjeuk saoerang koerang kaler, tjeuk noe saoerang kaler teuing, tjeuk noe saoerang deui mah geus meneran, nepi ka matak pasalingsingan. Pamoendoetna salah sawios Wali kedah disaksi koe boekti, nja wengina ladjeng sadajana para wali salat hadjat., sarta barang bada netepan ebreh atra koe tingal Kabbah katingali ti Demak. Pikeun tawis djadi saksi tangtosna kiblatna masdjid. Namoeng tingal mah teu barik pasti. Keukeuh henteu poetoes keneh, dina raos koerang ngidoel, ngaler teuing teu kalis koe atra tingal. Doepi poetoesna mah koe Soenan Kali Djaga, diboektikeun koe dideupa, kasaksi koe sadajana panangan Soenan Kali noe tengen njepeng Kabah, anoe Kiwa ngarampa masdjid di Demak, diadekkeun masdjid sareng Baetoellah, goeroe boekti djadi anoe pasti.

. . . . . . . . .

Sapoepoesna Soenan Oendoeng, anoe diangkat djadi-gentosna senapati, ngapalaan balantara ngaroeroeg deui ka Madjapait, nja eta Soenan Koedoes, djadi ngagentos paloenggoehan rama.

. . . . . . . . .

Dina nalika harita Madjapait teh beunang diseboet dikepoeng boeaja mangap, atoeh ti Koelon nja dihantja koe Maolana Djati, ti Wetan diangsit koe Soenan Giri, demi anoe [ 101 ]ngangseg madjoe nengah nja Soenan Koedoes. Lian ti koe balad anoe poegoeh boengkeuleukanana aja deui anoe matak ngadjadikeun kasoesahan banget ka oerang Madjapait teh nja eta koe ngagaksakna sasalad djeung hama, lantaran moesoeh metakeun djadjaten koe kasaktian, nja eta Soenan Djati ngoetoes beurit laksa keti ngarandjah pakaja djalma, ngabasmi tatali hoerip noe djadi pangoepa djiwa, nepi ka Madjapait patjeklik tigerat kakoerangan teda; ari beuritna teu beunang koe akal tarekah, paeh hidji datang lima, ana siala tambah meuweuh ngagalaksak. Ari Soenan Giri matek doehoeng anggoanana, breng adeng engang djeung tiwoean napoek njareureudan moesoeh. Dami Soenan Koedoes moeka Pati Poesaka Palembang, sarta barang braj peti diboeka, rep bae angkeup, goegoer di langit pating geleger, gelap pating boerinjaj pating djalaleger, sarta ngadak-ngadak peteng dedet poek mongkleng boeta rata.

Atoeh balad Madjapait tina dihaben dipoeoek koe moesoeh koe karoedet kasoesah kanjeri baganti-ganti, nja toengtoengna kawalahan, miris risi mangsar-mingsir, antoekna mah moendoer malalaboer boebar katawoeran maroeboes ka Goenoeng Lawoe babakoena. Demi senapati Madjapait nja eta Pangeran Teroeng tea, sareng tangantanganna Pangeran Poetra ti Madjalengka, Ti Panaraga, sareng ti Madjallangoe, sanggeusna ngaraos teter, nja kapaksa pada medal sila ngantoeni pakalangan.

Anoe katjarioskeun moelih ka Madjapait mah moeng Dipati Teroeng woengkoel, ari anoe sanes mah doeka ka mana moeboesna.

Kakotjapkeun Wali anoe tiloe anoe pada djadi loeloegoe kapala balatantara islam tea,loemebet ka djero kota, reh pongawa Madjapait geus pada serah bongkokan. Tapi barang arandjeuna rek lalebet ka djero poeri Maha Radja, Kangdjeng Ratoe Madjapait enggal njandak Tjoepoe manik astagina, djimat kaboedaan, dioleskeun kana baloebang laki, tjeb ditanggerkeun di aloen-aloen, sarta sapada harita dadak sakala les moesna ngahijang, eusi poera geus teu aja, karaton soewoeng geus kosong.

Dina palebah dieu dina basa Djawana aja omongan anoe kieu oenina: Sagoeng pongawa Madjapait waktoe sakala ikoe tan ana kang doewe enges sawidji, di dinja aja TJANDRA SANGKALA anoe njelap, nja eta, TAN-ANA-KANG DOEWE ENGESSAWIDJI teh sasangkalan tina taoen 1400. Prabajaksa karaton Madjapait ladjeng dirakrak sarta bahanna ditjandak ka Demak di dinja diadegkeun deui dianggo emper masdjid agoeng Demak.

Satoetasna karaton Madjapait roeboeh, para Wali maroelih ka Demak, ladjeng Rangga Bintara didjoengdjoeng loenggoeh didjenengkeun djadi Radja, marentah sakoeliah tanah Djawa, djoedjoeloekna Soeltan Demak. Katjarioskeun Dipati Teroeng, Senapati Madjapait tea, saderek Kangdjeng Soeltan, awitna mah weleh bae teu kersa taloek, tina inggis dibales kaniaja, pedah geus nelasan Soenan Ngoendoeng dina pangperangan tea. Tapi sanggeus nampi tetesan ti Soenan Koedoes, jen andjeunna geus teu aja gantar kakaitanana, nembe kersa masrahkeun salira ka rakana. Koe Kangdjeng Soeltan Demak, Dipati Teroeng didamel papatih, namoeng teu kersaeun, kahojongna kana mandita njirnakeun salira.

. . . . . . . .

Kangdjeng Soeltan Demak nimbalan ngadegkeun karaton, anoe djadi basna djenenganana Raden Sepet ti Madjapait, nja kitoe deui sadaja patoekanganana oerang Madjapait keneh.

. . . . . . . .

Wawangoenan-wawangoenan anoe di Goenoeng Semboeng eta mah sanes kenging Raden Sepet, tapi beunang hidji bas oerang Karawang, ngaranna Kai Goesa, malah oeroet batoerna mah opatan djoeroe laden Ki Goesa tea, tina kamanahna koe Kangdjeng Sinoehoen, toeloej matoeh bae djadi djoeroe toegoer Pasiraman di G. Semboeng, oeloen koemawoela ka Kangdjeng Sinoehoen.

Kangdjeng Sinoehoen linggihna di G. Semboeng sareng garwana anoe ti nagara Tjina tea. Tapi sanggeus poetri Tjina poepoes, ladjeng ngalih ka pakoengwati di kota Tjirebon sakalereun waloengan (kali) Karian. [ 102 ] Kota tjirebon teh dingaranan Sang Esa, katorama (dalem ageng) ngaranna Sang Sirroellah, ari Masdjid Agoeng diseboetna Sang Tjipta Rasa.

. . . . . . . .

Katjarioskeun para Wali anoe dalapan parantos kempel di kawah G. Tjiremai. Di dinja She Lemah Abang ngadadar deui agemanana, tjara basa di Demak tea. Dina kempelan harita baris ngadjenengkeun Panghoeloe Wali.

. . . . . . . .

Pamoendoet Soenan Giri soepaja ngadjenengkeun Panghoeloe Olia, anoe baris djadi kapalana para wali, harita koe sadajana karempagan, moeng dawoehan Soenan Kalidjaga, perloe kedah ngantos heula rawoehna Soenan Djati, margi nja Soenan Djati anoe barias didjoengdjoeng loenggoeh djadi loeloerah para wali, tina njata langkoeng kaloehoenganana. Nja sarawoehna Soenan Djati Ladjeng ditetepkeun djadi wadanana para wali sanoesa Djawa:

. . . . . . . .

Kangdjeng Soeltan Demak nadjan harita parantos ngalangkah kana kalang kawalian, tapi ngaraos teu atjan tatas kana bablas pisan, masih aja koetjiwana manah, koe margi eta kantos wirid deui moendoet piwoeroek ka Soenan Goenoeng Djati. Panarima manah andjeunna ka Goeroe, lian ti ngadegkeun kota (dajeuh) teh, nja ladjeng mangdamelkeun karaton deui di Tjirebon, sarta basna Raden Sepet keneh anoe ti Madjapait tea.

Malah tina bangeting roemaketna galih ka Goeroe, nepika poetrana noe istri noe djenengan Ratoe Njawa disanggakeun ka Kangdjeng Sinoehoen.

Koe Kangdjeng Sinoehoen eta Poetriladjeng bae didamel mantoe, ditikahkeun ka poetrana anoe djenengan Pangeran Agoeng Anom.

Teu kantos lami antawisna Pangeran Agoeng Anom tatoe kasamboet koe badjag di laoetan tepi ka poepoes di dinja, sarta lajonna di tjandak ka Moendoe. Atoeh barang garwana oeninga jen raka poepoes koe badjo, geus teu kira-kira bae prihatosna, nangis djoemerit midangdam sasambat latlatan teu emoet, moendoet toeloeng bari soedjoed ka mertoea. Kangdjeng Sinoehoen sanget welas ningali mantoe sakitoe kanjenjerianana enggal ngadawoeh : “Meunggeus Eulis oelah nangis, da kapan tjaroge Eulis oge teu koewa-kieu”! Nembe toetoep sasaoeranana kitoe, majit teh kersaning Kang Maha Soetji ngoelisik ladjeng tanghi damang teu sakara-kara. Moendoe teh koe Pangeran Sedang Laoetan ditelahkeun Padaleman. Saparantos Pangeran Agoeng Anom poepoes, tilas garwana, nja eta Ratoe Njawa tea, di tikah koe Pangeran Pasarean. (I)

. . . . . . . .

(I) Dina karangan Patilasan Banten parantos kaoengel djenengan Pangeran Pasarean teh, tapi sanes Pangeran Pasarean ieu, margi aja doea Pangeran Pasarean, hidji poetra doea poetoe Kangdjeng Sinoehoen, Pangeran Pasarean Banten poetra Sabakingking, noemawi disebat kitoe aja margina, nja eta nalika andjeunna dibobotkeun salapan sasih, iboena teu damang wales nepi ka adjalna poepoes. Koe margi moerangkalih anoe keur dibobotkeun tea harita katingali oesik keneh, nja bade dibelek majit iboena teh, bade dikaloearkeun heula moerangkalihna, nanging koe para Wali teu kawidian. Nja barang lajon iboena parantos dikoerebkeun, kersana Noe Maha Soetji, baji medal di PASAREAN.

S.d.R.

Pangeran Makdoem tadina parantos digadang-gadang baris didamel wali noe kasapoeloeh, namoeng teu tjios kieu lantaranana: Oenggal netepan Djoemaah di Masdjid Agoeng para wali bagilir ngimaman. Kaleresan dina hidji mangsa nalika Soenan Kali kagiliran djadi Imam. Pangeran Makdoem ebat netepanana ladjeng sabadana sadaja boebar netepan, andjeuna mah netepan deui. Koe sadaja Wali dipariksa, naon margina noe mawi netepanana teu tjios amoem tjara noe sanes. Koe Pangeran Makdoem diterangkeun jen Soenan Kali keurna ngimaman katingali ORAT, sareng andjeunna ngalepatkeun ka Soenan Kali wireh parantos ngabatalkeun kana netepanana. Harita koe Kangdjeng Sinoehoen dipoetoes, jen sanes kalepatan noe lian, ebatna netepan teh, tapi lepatna noe ebat, margi naha aja diseboet netepan masih keneh midoea tingal, da dina netepan mah tingal koedoe [ 103 ]ngahidji goemoeloeng manteng ka Noe Maha Soetji, ingkar tina ngarantjabang tingal, soemawonna moenggoeh di noe djadi olia mah. Eta margina noe mawi Pangeran Makdoem .... djadina wali. Doepi waleran Pangeran Makdoem ka sadajana: Nja moal koemaha, da moeng sakieu nja milik diri, ... teu aya kadar.

. . . . . . . . . . . .

Dina dinten Senen ping 4 sasih Siam, Seh Lemah Abang dek .... [ 104 ]Kaca:Poesaka Soenda 1923-01-1(07).pdf/9 [ 105 ]Kaca:Poesaka Soenda 1923-01-1(07).pdf/10 [ 106 ]

Pasoendan


Samboengan P.S. No. 5 katja 78.


Dina mangsana nikah, bet lain pameget anoe soemping ka tempat istri, ieu mah istri koedoe dianteurkeun koe rama katoet balad-baladna ka nagara pitjarogéeun tjara paribasa, sapi anoet ka banténg. Kawasna baé sababna koe lantaran Praboe Hajam Woeroek kabina-bina agoengna.

Waktoe Radja Pasoendan sabaladna soemping ka loear Madjapahit ladjeng masanggrahan, ngantos-ngantos dipapagna koe pitjarogeeun poetri nja éta Radja Madjapahit.

Radja Madjapahit ogé geus sasajagian baris mapag pigarwaeun, da kitoe adatna. Tapi Patih Gadjahmada oendjoekan, jén moal pisaéeun oepama radja kersa mapag koe andjeun, sanadjan enggeus adatna ogé, sabab lain lajakna, radja noe sakitoe agoengna nganggo mapag radja noe sakitoe leutikna.

Tjindekna mah ditjarék baé Praboe Madjapahit koe Patih Gadjahmada, oelah mapag.

Tidinja Radja Pasoendan miwarang patihna ngadeuheus ka kota njoehoenkeun katrangan. Éta oetoesan meunang tjék-tjok djeung Patih Gadjahmada, sabab tjeuk Patih Gadjahmada koerang tatakrama, maké wani-wani ngadeuheus ka Radja Madjapahit.

Radja Pasoendan djaheut manahna sabab ngadangoe pioendjoekna Patih, komo dina lebah njarioskeun, jén tjeuk Patih Gadjahmada, poetri dibikeun teu dibikeun, dipenta, koedoe dibaktikeun ka Maharadja Madjapahit.

Tjeuk sawaréh balad Pasoendan saé baktikeun baé, montong mandjangkeun tjarita; tjeuk sawaréh oelah dibikeun, sabab bongan ngahina. Kadjeun leboer toetoempoeran, tinimbang sadrah ka djelema anoe ngahina ka oerang mah.

Tidinja mah nja djadi perang tjampoeh. Maloem oerang Soenda ngan aja sabraha siki noe aja harita didinja, ari balad Madjapahit sakitoe tohagana. Oerang Soenda harita roeksak, toeloej boebar katawoeran, di tegal médan peperangan anoe ngaranna “Boebar” hartina katawoeran.

Radja Pasoendan katut ménak-ménakna poepoes, ari poetri kabandang koe moesoeh, baris dibaktikeun ka Praboe Madjapahit. Nja teroes djadi garwana Hajam Woeroek. Tapi teu koengsi lila toeloej poepoes kaleleban koe ramana.

Oerang Pasoendan ti mangsa harita batan daék taloek mah ka Madjapahit kawasna anggoer beuki nekad, sarta teroes ti harita tanah Soenda ngaradja déwék, papaharé hiroep djeung Madjapahit.

Kieu dongengna Praboe Wangi.

Anoe ngaganti Praboe Wangi nja éta Niskala Wastoe anoe ngaradjaan kota Kawali. Andjeunna ngadangdosan karaton Soerawisésa?

Di sakoeriling dajeuh ngadamel solokan; djelemana éstoe kabéh saroemoedjoed ka andjeunna. Eta nagara henteu taloek ka Madjapahit, sabab sasakala Praboe Wangi téa.

Sabadana marentah karadjaan, Radja Praboe Niskala Wastoe toeloej tatapa di makam gedé Kawali. Tidinja toeloej andjeunna ngalih ka Noesa Larang (Noesa Kambangan), didinja andjeunna poepoes dipendem di Goena Tiga di Galoeh. Praboe Rahiang Déwa Niskala apoepoetra Sang Ratu Déwa atawa Radja Poerana anoe ngadamel kota PAKOEAN (kota pakoe).

Ieu kota dajeuhna tina karadjaan Padjadjaran, diadegkeunana di deukeut Bogor dina taoen 1433.

Karadjaan Padjadjaran bisa djadi ngadegna saméméh ngadeg kota Pakoean.

Tjék tjaritaan asalna anoe ngadamel karadjaan Padjadjaran hidji poetra radja ti Djawa wétan djenenganana Koeda Laléan. Noe ngaganti Koeda Laléan poetrana noe boengsoe sabab poetra noe tjikal angkat ka tanah Hindoestan. Sanggeus [ 107 ]andjeunna soemping ka Hindoestan ladjeng mandjing Islam.

Tidinja ladjeng moelih deui ka Padjadjaran, sarta djenenganana digentos djadi Hadji Poerwa. Andjeunna njobi-njobi hojong ngislamkeun raina, Radja Padjadjaran, tapi teu laksana.

Koe sabab éta kapaksa andjeunna angkat ka Tjirebon. Tidinja teu aja deui tjaritaanana.

Koe hal éta bisa djadi Sang Ratoe Déwa atawa Radja Poerana ti Galoeh diloengsoer linggih ka Padjadjaran baris didjenengkeun radja, sabab radja Padjadjaran (anoe djenengan Sang Soesoek Tunggal) teu kagoengan ahli waris noe pingagentoseun kaprabon. Koeboeranana Sang Soesoek Tunggal aja kénéh, kalér koelon ti Batoe toelis, katelahna koe urang dinja makam Embah Mangprang. Ari Sang Ratoe Déwa dina makamna koerang terang, karana teu aja noe nerangkeun di lebah mana dipendemna.

Ari Tjaritaanana kieu ringkesna: Dina taoen 1433 Sang Ratoe Déwa miwarang ngadamel karaton di Pakoean. Eta karaton diseboetna: Sjri Bima Poenta Narajana Madoera Soeradipati, ari karadjaanana ajeuna diseboet Pakoean Padjadjaran. Eta karaton sakoerilingna dibénténg (dipager koe témbok). Dajeuh Pakoean, ajana sisi ti kalér.

Pademénna éta bénténg ajeuna aja kénéh, nja éta antara Tjisadané, Tjipakoe djeung Tjihaliwoeng. Station Batoe toelis ajeuna di djeroeun bénténg. Dina taoen 1690 toean Winkler di dinja ningali hidji karaton katoet bénténgna. Didjieun tina batoe goenoeng djeung taneuh, pademénna batoe djeung aja 7 tangkal tjaringin. Taksiran di aloen-aloen.

Ari noe diseboet Batoe toelis nja éta batoe anoe ditoelis, eusina njaritakeun, jén Sjri Badoega Maharadja radja di Pakoean Padjadjaran (anoe engkéna digelar Padoeka Sang Ratoe Déwata) ngadamel 2 talaga pangairaman. Noe hidji diseboetna talaga Rena hartina goembira, noe hidji deui diseboet talaga Mahawidjaja hartina oenggoel sanget. Taksiran éta talaga téh nja éta talaga anoe ajeuna dipaké pamandian di Kota Batoe deukeut Batoetoelis. Tapi éta talaga saoer Boedjangga2 asalna nja boeatan oerang Hindoe kénéh.

Pirang-pirang soerat-soerat koeno anoe ajeuna kapendak koe Boedjangga njaritakeun djaman Sjri Badoega Maharadja.

Eusina njaritakeun hal maparinkeun tanah-tanah merdika djeung tempat-tempat karamat. Para Boedjangga geus jakin, teu samar deui, jén Priangan wétan djeung Priangan tengah kabawah ka Padjadjaran, sabab geus kapanggih aja hidji daptar padjeg, anoe ajeuna ogé aja kénéh. Dina éta daptar diterangkeun jén abdi-abdi wadjib majar padjeg, réana ditangtoekeun koe radja Maharadja Traroesbawa. Ari padjegna lain roepa doeit, tapi roepa barang baé, saperti: minjak, oejah, djahé, moending, hajam, andjing pamoroan, djeung barang-barang tinoenan. Noe baleunghar, noe geus kolot, djeung boedjangga-boedjangga (hartina: njanggakeunana padjeg torodjongan ka radja). Tjirebon ogé koedoe njanggakeun oepeti ka Radja Padjadjaran njaéta tarasi.

Kakalérna kakawasaan Radja Padjadjaran dina awalna windoe ka 15 tatjan sakoemaha gedéna. Dina taoen 1436, noeroetkeun tjaritana hidji Tjina, tanah-tanah di basisir kalér tatjan digarap. Djelema-djelema didinja hiroepna tjara dina windoe ka 12 djeung ka 13 baé nja éta tina ngarampog. Koe sabab éta kapal-kapal ti nagara sédjén teu waranieun singgah ka dinja. Lila-lila nja aja robahna kira-kira taoen 1500 karadjaan Padjadjaran ti wétanna Tjitaroem teroes ngidoel ka Palaboean Ratoe teroes ka wétan nepi ka pagoenoengan Dejeuhloehoer djeung Pamotan, paeunteung-eunteung djeung Noesa Kambangan.

Di basisir kalér Padjadjaran ngabogaan pirang-pirang palaboean, saperti: Palaboean Soenda Kalapa (Batawi ajeuna). Palaboean Banten (Banten hilir), Banten girang atawa Wahanten Girang pernahna kidoel koelon ti dajeuh Sérang ajeuna.

Banten girang harita leuwih gede batan Banten hilir.

Di Banten hilir djeung di Banten girang aja wakil Radja Padjadjaran. Ari [ 108 ]panglinggihan Radja Padjadjaran nja di Pakoean. Éta dajeuh gegek pisan, djelemana aja 50.000 djiwa. Balad perang, tjenah aja 100.000. Tapi boedjangga-boedjangga mah teu pertjajaeun.

Dina hikajat Parahiangan aja tjaritaan Radja Poerana djeung radja-radja padjadjaran.

Djadi péndékna kaoeningana para boedjangga tina hal babad Pasoendan dina Windoe ka 5 nepi ka windoe ka 16 saeutik pisan. Ajeuna oerang njaritakeun: Boerakna Padjadjaran.

Hantja.

P.


Biantara

„Njoenatan”


Dangdanggoela.


1. Ka sadaja noe sami linggih,
neda widi njarios sakedap,
tina sanget bingah haté,
nampi noegraha Jang Agoeng,
sapaatna ti Kangdjeng Nabi,
goesti oerang sadaja,
noe katjeloek poendjoel,
poendjoel kasabaranana,
soetji manah,
kakasih Goesti Jang Widi,
sembaheun oemat sadaja.
2. Pira-pira sim koering noe laip,
oemat ogé oekoer oeoematan,
Islam ngan djigana baé,
nanging haté mah teroes,
iman sinareng tohid,
anteb katoet maripat,
koe panedja loeloes,
hajang doegi ka tamatna,
djadi koering,
noe mawi dieutik-eutik,
ngeureujeuh njoenatan anak.
3. Lahirna mah goesaran Nji Warsi,
lahirna mah njoenatan Djang Abas,
enjana njoenatan manéh,
diadjar noengtoet-noengtoet,
ngadjadikeun perlambang Nabi,
parentah Rasoeloellah,
tiap oemat Rasoel,
galibna téh disoenatan,
nja boektina ajeuna koe noe lalinggih,
lahirna kasaksian.
4. Kasaksian boeboehan di lahir,
kasaksian boeboehan di dunja,
doenja mah keur eunteung baé,
tjék doenja aja noeroet,
enjana mah pirakoe teuing,
noeroet-noeroet ka saha?
ngan babasan woengkoel,
tjara ieu Oedjang Roemha,
koe bapana,
noeroet adat noe geus galib,
galib tjeuk oerang doenja.
5. “Ditoeroetkeun” hadjat sakali,
sakalian babarengan niat,
saniat-niatna baé,
neda agoeng paraloen,
ka sadaja anoe lalinggih,
neda pandjang hampoera,
agoeng tjoekoep loemoer,
berkah pangoe’a sadaja,
noe kasoehoen,
gelarna noe Maha Soetji,
soetji disadajana.
6. Sadajana soegri anoe soemping,
sadajana soegri anoe kersa,
kersa roeroempaheun baé,
anoe anom noe sepoeh,
noe tjaraket anoe tarebih,
noehoen mangreboe laksa,
kareresa rawoeh,
majoenan hadjat soenatan,
naon atoeh,
geusan panghormat sing koering,
lian ti saaja-aja.
[ 109 ]
7. Aja sotéh malar poedji,
aja sotéh tina tjékap,
bakating soemoedjoed baé,
noeroet galoer karoehoen,
ngambangkeun papagon ti Nabi,
Nabi noe sabar téa,
mangga kaoelanoen,
njanggakeun barang loemajan,
moeng sakitoe séép pihatoer sim koering,
kantoen mangga doäan.


Kintoenan

W. A.

Tjitjadas 7 Dec. ’22.


Wawatjan Siliwangi


Samboengan Poesaka Soenda No. 6.

164. Ki Tandesan ngadontjaan tarik,
batoerna ngagero,
beuheung Papagratang noe keuna téh,
Tandesan ngagikgik, ngeunah seuri,
bari ngoedar tali,
bangkawarah ngaringkoes.
165. Pamoenah rasa ngorédjat tanghi,
ieu aja naon?
Pandakawan brek soedjoed ka Radén,
njembah oendjoekan barina tjeurik,
Adoeh alah Goesri,
abdi sadja ampoen.
166. Éstoe Goesti terahing narpati,
pantes mangkoe kraton,
Padjadjaran tangtos kaéréh,
moal aja sasamana deui,
noe sabar noe adil,
gamparan saéstoe.
167. Aloek mangga goesti oerang moelih,
raka tong diwaro,
réhna raka langkoeng dengki haté,
mila abdi njoesoel ti pandeuri,
karsa raka Goesti,
gamparan diboenoeh.
168. Kalampahan eunggeus doe kali,
abdi niat sérong,
ngan malik keuna ka abdi baé,
mangga Goeti oerang moelih,
réhna raka Goesti,
boedina karoengkoep.
169. Radén Anom ngalahir djeung manis,
koela eunggeus njaho,
lampah manéh ti barang gok ogé,
méméh ngomong koela geus ngarti,
koela moal balik,
bisi raka bendoe.
170. Lamoen napsoe dilawanan sengit,
tangtoe djadi petjoh,
baloekarna réa djalma paéh,
éra koe sasama nagri,
mashoer goréng teuing,
paséa djeung doeloer.
171. Mila koela tatjan niat balik,
karo-karo gélo,
sakoemaha karsa kakang baé,
Papagratang njembah deui,
karsa raka Goesti,
djoeal ka parahoe.
172. Lahir radén koela pasrah diri,
hajoe baé ngoelon,
ka basisir laoet anoe ramé,
ki Tandesan hatoer pangabakti,
keur panginten abdi,
aja moeal pajoe.
173. Réh hing éta kakasihing Goesti,
nadjan siga gaok,
éta mah djenengan radja gedé,
noe rék meuli tangtoe moal wani,
koe ngaran téh adjrih,
réh ageman ratoe.
174. Radén poera koe réntjang ngalahir,
soantenna alon,
leres sapihatoer Tandesan téh,
ajeuna wawangi kasilih,
landi Siliwangi,
radja soenoe laroet.
[ 110 ]
175. Genter pater déwa djeung para djin,
njaksian lalakon salin wawangén,
gentos maneuh nelah Siliwangi,
gandék doea bekti,
bari toengkoel soedjoed.
176. Sanggeus kitoe nja loemampah deui,
ka basisir andjog,
doemadakan manggih kapal gedé,
momot kai djeung ngoendjal tarasi,
Papag ratang gantjang,
soedagar diboeroe.
177. Prok patepoeng soedagar ngalahir,
mamang aja naon,
mawa boedak hideung hoerik goréng,
Papagratang ngadjawab gasik,
ih dagangan koering,
malakmandar pajoe.
178. Regana mah koemaha noe meuli,
soedagar ngawalon,
soegan ieu boedak toetoeg goréng,
Siliwangi matoer bari nangis,
mangga abdi peuntjit,
lamoen goréng lakoe.
179. Ki soedagar pok ngalahir deui,
koela geus potol,
taja doeit bekel gé geus séép,
lamoen mamang kersa koe tarasi,
lima welas kati,
koe koela ditempoer.
180. Pédah boedak singkah koelit hoerik,
hérang kawas gaok,
mahiwal ti djalma noe sédjén,
Papagratang Tandesan ngalahir,
rampés kadjeun teuing,
tarasi gé boetoeh,
181. Tjeuk soedagar ngaranna si hoerik,
saha anoe tangtos,
tjeuk Tandesan ngaranna mah hadé,
boedak timoe ngaran Siliwangi,
tarasi ditampi,
Siliwangi katoer.
182. Saprantos djadi djoeal beuli,
doeaan haroong,
pada mangkat lakoe déwék-déwék,
Papagratang Tandesan ngarerik,
Welas Siliwangi,
sadjalan ngagoekgoek.
183. Salintembang midjil geus lastari,
doerma di kadaton,
éar goejoer sanagara géhgér,
gara-gara tjampoeh hoedjan angin,
nagri goendjang gandjing,
goegoer ting djelegoer.


D O E R M A.


184. Goejoer géhgér di Pakoean Padjadjaran,
radja Soenoe kakasih,
poetra lirna djimat,
noe geus digadang-gadang,
noe baris mangkoe nagari,
ajeuna teu aja,
bedoeg goong dititir.
185. Sang paraboe Anggalarang langkoeng wera,
Patih djaksa diperih,
koedoe njoesoel poetra,
kaliwon goelang-goelang,
djanagara raksa boemi,
tjoetak djeung tjamat,
boedal saeusi nagari.
186. Soerat boengbeng ka para Bopati bawahan,
ti bopati ka patih,
ka patinggi désa,
bedoeg dogdog ambrengan,
di nagri di tepis wiring,
géhgér néangan,
nagara goendjang gandjing.
187. Radja Poetra Asmoenalarang tangginas,
ngagiring mantri-mantri,
njaksrak-njaksrak alas,
lebak djoengkrang di papaj,
patih bopati ngariring,
koewoe wadana,
ratoesan patinggi siring.
[ 111 ]
188. Mapaj lebak goenoeng-goenoeng somang djoengkrang,
tjai leuwi diabrik,
liang-liang goeha,
diaroebek disaksrak,
radja Soenoe teu kapanggih,
rekep djoeligna,
radja poetra djeung papatih.
189. Di karaton istri-istri ting kotjéak,
narangis ting djarerit,
ratoe Hoemadéwa,
geus sék-sék kapioehan,
jén lilir djoemerit nangis,
doeh emas-emas,
tiwas aja anoe dengki.
190. Kandjeng Praboe geus teu karsa ngandika,
Djingganagara soemping,
doengkap njai demang,
ngagoegoedjeg ka rakana,
ngadjak njoektjroek mapaj tjai,
ka Pangdadaran,
djoeng sareng rakana indit.
191. Njai demang djeung raka ka pangdadaran,
ratusan anoe ngiring,
patinggi djeung tjamat,
loerah-loerah patjalang,
sasoemping ka sisi tjai,
ningalan latjak,
oeroet djalma enggeus lidig.
192. Njai demang ningali enggeus tétéla,
ngotjéak djerit-djerit,
deudeuh anak ema,
meureun diparaéhan,
ngadjerit rék kana leuwi,
geus niat béla,
dirontok koe patinggi.
193. Diasoepkeun kana tandoe geus djoeng moelang,
sadongkap ka nagari,
ladjeng tjatjarita,
hatoer ka maha radja,
Sang Praboe geus teu ngalahir,
kéndel manahna,
sanget toenggara ing galih.
194. Kasarandoe Lampoeng Djamboel pada dongkap,
kidang panandjoeng deui,
mentas dipiwarang moedja,
moendjoeng ti goenoeng Padang,
lantaran kasawat poetri,
mawa landongna,
diarotkeun sakali.
195. Teroes baé kasawat poetri téh moesna,
lesoena geus leungit,
waras sabiasa,
henteu sakara-kara,
ngan kaganti koe balai,
leungiteun poetra,
woewoeh ngerik manah poetri.
196. Lampoeng Djamboel Kidang Panandjoeng oendjoekan,
keur moedja aja wangsit,
nanging noe ngandika,
weléh teu katingal,
pokna bakal aja paling,
lain noe lian,
moal lila timoe deui.


Aja samboenganana.




Pihatoer Redaksie.


Koe margi Poesaka Soenda No. 2-3 sareng 4 parantos séép pisan, djadi langganan anjar teu tiasa dikintoen P.S. 3-2 sareng 4. Engké oepami langganan parantos aja 1500, tangtos njitak deui nomer anoe parantos séép téh, sanomerna 500.

Koe margi éta, langganan anjar perloe ngilari deui réntjang, soepados djoemlahna langganan téréh djedjeg 1500, ambéh nampi anoe ajeuna kaporotan téa.

Artos langganan anoe katampi doegi ka ping 20. December 1922, nja éta ti djoeragan-djoeragan:
655. A.S. Djajapoera Waroengkiara.