Poesaka Soenda 1922-11-1(05)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1922-11-1(05)  (1922) 
[ 65 ]
No. 5
Tahoen ka 1
November 1922

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN


Eusina nommor 5.

Pihatoer Redaktie katja 65
Patilasan-patilasan di Banten " 66
Wajang " 71
Pasoendan " 75
Artos langganan P. S. " 79
Pihatoer Redaktie " 80

Pihatoer Redaktie.

1. Soegri anoe henteu ngintoenkeun artos langganan Poesaka Soenda elat-elatna doegi ka ping 15 December 1 922, moal dikintoenan deui P.S.

2. Poesaka Soenda No. 6 sareng saladjengna moeng baris dikintoenkeun ka anoe parantos majar woengkoel (Iwal moerid-moerid sakola anoe majar noengtoet).

3. Ti wangkid ajeuna ka pajoen, anoe ditampi djadi langganan teh, moeng anoe moendoetna disarengan koe artos langganan bae.

4. Anoe henteu ngalanggan kenging ngagauleuh P. S. sanomerna pangaos f 0.30.

5. Anoe parantos nampi P. S. ti No.1. dongkap ka No. 5 oepami teu ngintoenkeun artos e!at-elatna 15 December tea. baris ditagih sambetanana koe postkwitantie. [ 66 ]

Patilasan-patilasan di Banten.

(Samboengan Poesaka Soenda No.2)


Sakoeloneun aloen~aloen ngadjegir Masdjid Agoeng, di hareupeunana make moenara, adegan anoe parantos koena pisan, tapi nja kawilang koeat tina geus sakitoe kahotna masih poegoeh djoenggiringna. Eta masdjid katoet moenarana boeatan Hendrik Lucas Cardeel alias Wiragoena tea. Di sadjeroeun koeta masdjid beulah kaler, aja adegan anoe dikoeroebeng, di djerona nja makamna Kangdjeng Soeltan Maulana Hasannoedin sareng koelawargina anoe lalandes. Di dinja aja toedjoeh koeboeran anoe ngadjadjar, paesanana djadji papaes araloes pisan, nja eta: (ti kentja mapaj ka katoehoe):

  1. Koeboeran Soeltan Abdoel Fadal.
  2. Koeboeran Maulana Moehamad.
  3. Koeboeran Pangeran Ratoe.
  4. Koeboeran Maulana Hasannoedin.
  5. Koeboeran Soeltan Abdoel Fatah.
  6. Koeboeran garwa Soeltan Abdul Fatah.
  7. Koeboeran Soeltan Abdul Nazar.

Ieu koeboeran dianggap karamat, dipoesti-poesti pisan, malah makamna dikeben dikoelamboean, siang wengi teu towong anoe ngadjaga, sareng pangdoepaan teu aja kendatna ngeloen bae, ka'djaba dina poe Salasa sareng Saptoe.

Dina boelan Moeloed komo sabada lebaran mah, boh lebaran Poeasa boh lebaran Rajagoeng, mang reboe-reboe djelema noe djarah ka dinja, lain ngan ti salelewek Banten woengkoel, dalah ti anoe djaraoeh oge mang pirang-pirang anoe ngahadja daratang ngaradon djarah.

Sakidoel-koeloneun adegan tempat koeboeran Soeltan Hasannoedin tea, aja koeboeranana. Soeltan Zainoel Abidin, teu pati dipoesti-poesti, teu ara dipoendjoeng-poendjoeng, kawasna teu pati dianggap karamat.

Saloeareun tembokan pageje djeung masdjid tea beulah kidoel malah saenjana mah beunang diseboet di djero masdjid bae, dina hidji kamar leutik aja deui koeboeran ngadjadjar anoe dipoesti-poestina tjara anoe tadi bae koeboeran Soeltan Hasannoodin tea make dikoelamboean nanaon. Demi anoe soemare di dinja nja eta (ti kentja mapaj ka katoehoe):

  1. Soeltan Zainoel Asikin.
  2. Soeltan Zaidoel Aripin.
  3. Soeltan Moehamad Alioedin.
  4. Soeltan Zainoel Salihin.

Beulah ti kaler sisi eta masdjid aja soemoer. Noemoetkeun tjarios Toebagoes Angling Koesoemah, kieu sasakalana eta soemoer teh.

“Dina hidji mangsa Hadji Mangsoer keur aja di Mekah, hojong moelih ka Djawa ladjeng bae lebet ka Soemoer Djam-djamt teras neroes boemi, nja ana petjenghoel bidjil di eta soemoer. Lami-Iami Hadji Mangsoer lebet deui kana eta soemoer, bidjil di hidji boelakan, desa Leuwipapan deukeut Tjimanoek. Liang oeroet andjeunna bidjil ka doea kali tea ditoetoep koe batoe, malah ari tjeuk sawareh mah ditoetoepna teh koe koeraanna, anoe lila-lila ngadjadi batoe”.

Ari eta Hadji Mangsoer teh dikoeboerna di kampoengTjikadoeeun deukeut Pandeglang. Eta koeboeran dianggap karamat sarta oenggal Senen djeung Djoemaah teu aja kendatna anoe djarah atawa anoe karaoel, geus komo deui ari dina boelan Moeloed djeung bada lebaran mah, moengpoengna djelema teh nja tjara ka Banten bae.

Boelakan anoe deukeut Leuwipapan tea oge, henteu kaloeli-loeli sok diparoendjoeng dipake panajogjaan; malah bedjana saha-saha anoe bisa ngodjaj ngoerilingan batoe oeroet toetoep liang tea toedjoeh koeriling, tinangtoe kaboel sapanedjana,

Noeroetkeun katrangan Dr. v. d. Chijs, anoe kaoengel dina karanganana Daria, Oud Bantam, Tijdschrift Bat. Gen. djilid ka 26 katja 567, perkawis Hadji Mansoer the kieu:

“Perkawis Hadji Mangsoer wartosna dina poe Djoemaah poekoel 6 isoek-isoek [ 67 ]

Lebah-lebahna tempat-tempat patilasan di Banten.
Schaal 1:15.000

  1. Pintoe Gapoera
  2. Masdjid Agoeng
  3. Masdjid Patjinan Tinggi
  4. Tilas Pabejan baheula, tempat toean Houtman handjat ka Djawa.
  5. Stoplas Banten

[ 68 ]ti Banten ngambah wiati angkat ngawang-ngawang, soempingna ka Mekah memeh poekoel 12, ngaboedjeng ngiring netepan Djoemaat di Mekah".

Di sakidoeleun masdjid tea aja tiama, nja eta paragi netepan istri-istri, anoe kapoengkoerna sakalian sok dianggo sakola agama, malah nalika. djoemeneng Soeltan Hadji mah dianggo sakola basa Arab. Dina ieu tiama, dina lotengna aja pakakas-pakakas paranti deboes, sababaraha hidji.

Beheulana mah ngadeboes teh djadi papantjen abdi-abdi di dinja dipedarna dina oenggal tanggal 12 boelan Moeloed.

Di tengah aloen-aloen handapeun tjaringin anoe geus kahot tea, ngaranna tjaringin Poerwadinata, aja batoe nemprak, ngaranna "batoe gilang" anoe baheulana tempat ngistrenan ponggawa kasoeltanan anoe naraek pangkat.

Lian ti, batoe gilang anoe di handapeun tjaringin tea, aja deui "batoe gilang” sedjen, pernahna sakidoel-kidoe aloen-aloen, di pipir hidji imah oerang priboemi. leu mah batoe gilang teh aja sasakalana, kieu sa;djarahna:

Dina hidji poe, Maolana Hasannoedin ningali anoe goemebjar di tengah laoet, ningali anoo goemebjar di tengah laoet, enggal koe andjeunna djboedjeng, barang soemping kana kikisik, ningali hidji batoe ngambang di sagara, ditoenggangan koe hidji djelema anoo montjotong sorotna soemirat, lir srengenge noe nembe medal. Maolana Hasannoedin nantjebkeun tetekenna kana keusik. sarta dadak-sakala laoet djadi soeroed, enggal andjeunna angkat ka tengah sagara nepangan ande katingali keur nitih batoe di laoet tea. Demi eta anoe toenggang batoe the pandita Boeda, djenenganana Goeroe Djampang. Barang parantos gok patepang, sarta satoetasna silih pariksa djenengan. dek njarioskeun elmoe, sawala bagbagan agama.

Goeroe Djampang henteu kersa, toemoet kana pamoendoet Maolana Hasannoedin ngagentos agamana, mandjing kana agama Islam. Pamoendoetna Maolana Hasannoedin, soepaja Goeroe Djampang kersa madepokan linggih di dajeuh Banten, kalawan teu koedoe pindah kana agama Moehamad, koe Goeroe Djampang henteu dilaksanakeun. Ti dinja sok Goeroe Djampang maparinkeun endog manoek prit, ka Maolana Hasannoedin, sarta miwarang soepaja eta endog ditoempoekkeun. Koe Maolana Hasannoedin ditoemoetkeun Sakoemaha pamoendoetna, prak endog manoek teh ditoempoekkeun, tapi kakara toedjoeh t.oempang, endog teh roeboeh. Koe Goeroe Djampag djtjarioskeun jen eta the totonden, baris ngan tepi ka toedjoeh toeroenan, poetra poetoe Maolana Hasanoeddin iasana ngasta kakawasaan, njepeng pamarentahan. Goeroe Djampang djangdji, baris nangtajoongan Karadjaan Banten, sawangsoelna Maolana Hasanoedin koedoe nekanan djangdjina, ngawajang dina oenggal-oenggal minggoe. Saparantos Maolana Hasanoedin njembadaan kana samoedaja soebajana, Sang Pandita Boeda Ki Goeroe Djampang tea mah les bae salira moertja sirna ngahijang ti artjapada.

Demi batoe oeroet toetoenggangan Goeroe Djampang tea, nja ditjandak ka nagara, diteundeun di aloen-aloen di dadasaran koe bata pasagi, loehoerna kira-kira 8/4 M. Eta batoe ngabakoe dianggo pangtjalikan Soeltan ditumpangkeun kana djoli ladjeng digotong, dianggona dina mangsa magelaran kempelan djeung abdi-abdi. Nja kitoe deui ieu batoe sokdianggo netepan koe Kangdjeng Soeltan. Oepama aja dawoehan Soeltan anoe koedoe diembarkeun, nja. sok di dinja deui dina batoe gilang tea, ngadegna oetoesan anoe ngawawarkeun timbalan teh. Demi djolina (korsina) anoe sok ditoempangan koe, eta batoe gilang tea, ajeuna aja keneh disimpen di Gedong Gadjah (museum) di Batawi.

Teu sakoemaha tebihna ti tilas dajeuh Banten, aja tempat anoe disebatna Karang Hantoe, pernahna sisi waloengan beunang ngali anoe bras ka laoet. Ieu solokan ajana di kampoeng Koja.

Di pasar Karang Hantoe aja mariem gede ngaranna Ki Amoek, disaoengan di hade-hade, da sok dipoendjoeng dipararoedja, nja eta tjariosna eta the, salah sahjdji mariem anoe didjoeal ka Walanda koe poetri Tandoeran Gagang poetra Ratoe Mandapa. Ari mariem anoe doea deui [ 69 ]

Patilasan-patilasan di Banten
Schaal 1:15,000.

A. Goeha di Kampung Banten

B. Batoe Gilang, handapeun tjaringin Poerwadinata

B. Batoe Gilang, tilas Goeroe Djampang

C. Makam Maolana Hasanoedin

D. Masdjid Agoeng

E. Makam Maolana Hasanoedin

F. Tiama, paranti netepan para istri

G. Tjaringin koeroeng

H. Djambatan rante

I. Goeha torowongan (di djero taneuh)

K. Gapoera

[ 70 ]nja eta si Sapoe Djagat; sareng si Santomi (Ajana di djero setinggil (paseban) di Karaton Solo; dikeben di tengah-tengahna. Sapoe Djagat oge di Solo keneh diteundeunna di hareupeun setinggil di aloen-aloen).

Tjariosna oepami ieu mariem tepoeng sareng. si Djagoer, bakal ngadeg hidji karadjaan gede.(1)

Di peuntaseun pasar baheulana aja kampoeng, ngaranna kampoeng Kasoman, noeroetkeun ngaran masdjidna, tapi ajeuna mah geus teu aja oeroet-oeroetna atjan. Paeunteung-eunteung sareng tjaringin anoe ajeuna masih aja keneh, di dinja the baheulana oeroet boemina Imam, ari sakidoeleun masigit anoe ajeuna geus moesna tea, baheulana oeroet boemi pangeran Achmad, poetra Soeltan Abdoel Moefachir Moehamad Alioedin.

Deukeut ieu waloengan aja djalan anoe bras ka Pontang, anoe ngan tinggal ngaranna bae djalan soteh, da parantos teu beunang-beunang atjan diliwatan, tina tara ditjabak geus tara dipiara. Baheulana mah ieu teh oeroet djalan loeloegoe, katjiri dina pal-palna annoe aja di sisi djalan.

Teu tebih ti pasar, Karang Hantoe aja oeroet Benteng baheula, ngaranna benteng Speelwijk, pernahna deukeut moeara Tjibanten.

Nalika Toean Besar Idenburg ngasta kakawasaan di Hindia, ieu tilas benteng diomean. Dibabad tatangkalanana, sarta saladjengna dipoelasara dihade-hade.

Ieu benteng diadegkeunana dina taoen 1685. anoe sanggeusna anggeus dingaranan Speelwijk, kawasna ngalap dienenganana anoe djadi toean besar harita, nja eta Toean Besar Speelman. Ieu benteng teh tadina nja goedang, nja tangsi, nja boemi pangagoenga, ngahidji bae di dinja. Dina taoen 1802 ieu benteng diparios koe Toean van JJsendjik nja harita oge geus raroeksak. Kadjaba sawareh-wareheun anoe kapendak rada hade keneh.

Iraha ieu benteng ditingalkeunana koe bangsa Walanda, teu aja katrangan anoe pasti, ngan kawas-kawasna dina djaman Toean Besar Daendels.

Sawetaneun ieu benteng aja koeboeran Walanda, anoe ajeunana mah dipoelasara deui. Sakalereunana ajia lingga setra (graf monument), anoe dikoeboer di dinja kawasna soldadoe-soldadoe anoe maraot waktoe eta benteng aja noe nempoeh, da ari toelisanana mah teu aja, sapertos koeboeran anoe sanes.

Teu djaoeh ti tilas benteng beulah kidoel, aja kelenteng anoe adeganana beleger keneh, di djerona aja Tapekong anoe mashoer pisan, tepi ka ajeuna masih keneh sok dipoendjoeng-poendjoeng, beurang peuting ngeboel bae koekoes, sareng teu kendat teu towong, koe koentjenna di djaga dikemitan.

Di sakalereun kelenteng baheulana aja pabejan kagoengan soeltan. Nja di lebah dinja pisan mimitina bangsa Walonda, njaeta toean Houtman, dina taoen 1596, nintjakeun dampal ngoenggahan darat poelo Djawa, noe djadi bibit kakawasaan koempeni. liar njaliara ka sakoeliah Hindia.

Sakidoeleun kelenteng dina sisi djalan kareta api, aja tilas masdijd, baheulana (didinja teh) diseboet “patjinan tinggi” ari ajeuna mah ngan kari oeroet moenarana bae katingal keneh di tengah-tengah noe bala. Baheula mah eta moenara teh loehoerna kira-kira aja 12 Meter, direngga-renggi koe roepa-roepa papaes.

Ti dieu aja djalan ka Tasikardi. (Tasik hartina sitoe atawa talaga, ardi hartina Goenoeng) njaeta pasanggrahan, tempat kalangenan Soeltan Ageng. Djalan ka Tasikardi teh ngaliwat hjdii adegan, ngaranna Pangindelan hartina saringan, anoe diadegkeun taoen 1701. tjai Tasikardi dikotjorkeunana ka Kota Inten djeung ka Benteng Epeelwijk tea, make solobong timah. Di djerona ieu pangindelan ngagolendang dipalester. Bedjana koe Soeltan Pangeran Ratoe, di dinja the dianggo panjitakan doeit tamaga, noe doeitna make tjap Pangeran Ratoe.

Kira-kira sakilo Meter djaoehna ti pangindelan, djol datang kahidji Sitoe pasagi anoe lega pisan, pandjangna kira-kira [ 71 ]doea ratoes Meter, nja ieu anoe ngaran Tasikardi teh; Di tengah-tengahna eta sitoe, aja noesa sakoerilingna dihambaro koe tembok, anoe loehoerna 2½ Meter, nja di eta noesa tea ajana pasanggrahan kalangenan Soeltan Ageng teh.

Tjaina ieu Tasikardi lian ti inoemeun oerang dajeuh, nja eta baris njaian sawah-sawah noe dareukeut ka dinja deui.

Ti Tasikardi aja djalan noeteroes ka kampoeng Kanari; nja eta ka pakoeboeranana Soeltan Abdul Moefachir Machmoedi Abdul Kadir. Ieu makam deuk meh tjara makamna Maulana Joesoef. Dorana ngabangoen potongan Hindoe.

Sakoemaha anoe parantos ditjarioskeun di loehoer, jen mimitina mah teu aja noe tiasa nerangkeun pernahna patilasan Kota roeboeh mah, namoeng ari, ka beh dieunakeun mah nja kenging oge bongbolongan.

Noemoetkeun karangan Dr. de Haan dina boekoena anoe ngaranna "Priangan", ditjarioskeun jen kawasna eta Pasanggrahan teh ajana di Tirtajasa, tapi noemoetkeun saoerna Kangdjeng Dalem Serang, sareng kateranganana Dr. Hoesein Djajadiningrat, kawasna geus moal salah deui, jen Kota roeboeh teh ajana di Kampoeng Kanari.





WAJANG.

(Beunang njoetat tina boekoe karangan Toean J. Kats).


I.


ASAL MOEASALNA WAJANG


Oepama oerang hajang njoektjroek asal moeasalna wajang, lian ti mapaj padalangan anoe masih keneh ilahar gelar ajeuna, taja deui djalanna anoe langkoeng perjoga lkadjaba ti koedoe ngoengkab kitab-kitab djeung boekoe-boekoe baheula anoe eusina njabit- njabit kana bab eta.

Dina serat-serat koena anoe parantos kapendak, make titimangsa taoen A.D. 860, di dinja kaoengel aja omongan DJOROEBARATA, anoe hartosna: DALANG, moeng ari katrangan anoe neterakeun lalakon mah di dinja teh teu aja.

Anoe langkoeng tetela raratanana kaoengel dina wawatjan ARDJOENA WIWAHA anoe ka wentar pisan kasaeanana, anoe dikarangna dina wiwitan windoe ka sawelas, djaman AIRLANGGHA djoemeneng Radja. Kieu pisoendaeunana :

"Rea anoe moeroeboet tjjsotja anoe naringali wajang mah, tina ngangres manah kagagas, kasoeat koe panjoerahan, nadjan noe ningal pada tarerang oge, jen eta mah anoe atra koe sotja teh, ngan oekoer koelit toehoer beunang ngoekir, dipetakeun bisa ngoetjap tjara djalma. Moenggoeh koe anoe naringal, wajang teh dieunteupkeun kana oepama, ka djelema anoe kasengsrem koe doenja, anoe pada baroga pangira reudjeung panjangka, sarta boeta moena teu oeninga, jen anoe goemelar awas koe tingal tea, ngan oekoer wawajangan woengkoel, sindir silib ti noe estoe sadjatina".

Dina serat Djawa koena, anggitan dina windoe eta keneh, nja eta dina tjarios TANTOE PANGGELARAN, aja katrangan anoe oengelna, Batara Siwa, Batara Brahma sareng Batara Wisnoe, ti Kahijangan pada loemoengsoer ka boeana pantja tengah ladjeng sadaja ngawajang (AWAJANG NIRA). Ari ngawajangna teh nja nganggo kekelir (MAKELIR SIRA). Koelit inoekir anoe djadi wajangna (WALOELANG INOEKIR MAKAWAJANG NIRA).

Dina tjarita anoe dikarang heulaut sawindoe ti harita, kapendak deui katrangan wajang teh, malah di dinja mah disebatkeun parantos dibaroeng koe gamelan (tatabeuhan). Nja eta anoe kaoengel dina sahidji pada piwedjang didangding Wrettasandjaja anoe titimangsana kira-kira dina tengah windoe ka doea welas. Nomoetkeun salinan Toean Prof. Kern kieu oengelna: [ 72 ]
72
 
[ 73 ]Kaca:Poesaka Soenda 1922-11-1(05).pdf/9 [ 74 ]Kaca:Poesaka Soenda 1922-11-1(05).pdf/10 [ 75 ]Kaca:Poesaka Soenda 1922-11-1(05).pdf/11 [ 76 ]Kaca:Poesaka Soenda 1922-11-1(05).pdf/12 [ 77 ]Kaca:Poesaka Soenda 1922-11-1(05).pdf/13 [ 78 ]Kaca:Poesaka Soenda 1922-11-1(05).pdf/14 [ 79 ]Kaca:Poesaka Soenda 1922-11-1(05).pdf/15 [ 80 ]Kaca:Poesaka Soenda 1922-11-1(05).pdf/16