Poesaka Soenda 1923-02-1(08)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1923-02-1(08)  (1923) 
[ 113 ]
No. 8
Tahoen ka 1
Februari 1923

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA.

TOEDJOEL SERAT : - GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 8

1. Bab Wajang (samboengan P. S. No. 7) katja 113
2. Tjandra sangkala " 117
3. Agama Boeda panggelar Boroboedoer " 121
4. Wajang Allah " 122
5. Paririmbon (samboengan P. S. No. 7) " 123
6. Almenak taoen 1853 " 125
7. Wawatjan Siliwangi (samboengan P. S. No. 7) " 126


Bab Wajang

(Beunang njoetat tina boekoe karangan Toean J. Kats) III


Sanggeus oerang Hindoe daratang ka Djawa, lian ti agamana nja lalakon-lalakon djeung tjarita-tjarita Hindoe téa ogé diliarkeun deui ka priboemi sarta katjida dipikaresepna, lantaran karasa koe maranehanana lain dongeng bolostrong, tapi saoetjap-oetjapna pada ngandoeng sasmita aja harti kadoea leutikna. Lantaran kalindih koe bekel sémah, lalakon priboemi pitoein keuki katélér-télér, lila-lila nepi ka méh moesnahna, pindah roepa ganti warna.

Ngaran-ngaran anoe kapanggih dina lalakon-lalakon Ramajana djeung Mahabarata téa, disoeroep-soeroep dieunteup-eunteupkeun kana patempatan noe aja di Djawa. Éta sababna anoe matak di oerang réa patempatan, goenoeng atawa waloengan anoe ngaranna maké ngaran anoe kapanggih dina lalakon Hindoe téa, saperti Goenoeng Ardjoena, Kali Serajoe, Goenoeng Semeroe, dj. s. t. sarta sasakala dipasieup sina soeroep djeung di Hindoe. Malah bawaning koe hajang poeas ngakoena, poesaka sémah, nepi ka ngaran anoe aja dina lalakon wajang [ 114 ]dianggap karoehoen anoe noeroenkeun roendajan Djawa, dipaparah disoesoeroep ngarah siga aja tjorna ka radjana, babakoena diréka disina djiga Ardjoena aja di Djawa, diarakoe disareboet aki boejoet para ratoe.

Anoe mawi réa anoe akoe-akoe-angga, njeboetkeun aja karabatna ka Ardjoena, ka Darawati, ka Praboe Mandoera, babakoena hajang diseboet paranakan Pandawa, padahal lain-lain deui.

(Di Solo sareng tempat-tempat anoe sanés, dalah di dieu ogé di Pasoendan réa anoe pertjanten sarta ngangken jén radjana, dalemna, dj. s. t. toeroenan Ardjoena, atanapi toeroenan Siloeman, paranakan Djin, karepna katarik koe ngarah pamor. Ari sajaktosna mah eta anggapan sareng angkenan kitoe téh, nawoekoe ngahinakeun kana salirana koe andjeun. S. d. R.).

Doepi babakoena liarna sareng nerekabna éta lalakon Hindoe di Djawa, nja éta alam Radja Erlangga ngasta kakawasaan, dina katompernakeun windoe ka sawelas, margi nja harita disalinna tina Hindoe kana basa Djawa (Djawa-koena) éta lalakon anoe 18 parwa téh. (Tina ieu ketjap parwa, anoe saenjana hartosna bab, pasal, nja robah sorana djadi paroewa, ti dinja robah deui djadi poerwa, dihartianana djati: mimiti, asal, baheulana. Anoe mawi ajeuna aja basa wajang poerwa, dihartian wajang koena, wajang baheula.

Lian ti koe dilalakonkeun tjarita Ramaijana téh digelarna djeung diliarkeunana di dieu, nja éta koe diwoedjoedkeun dina tjandi-tjandi deui, saperti tjandi Prambanan anoe diadegkeunana kira-kira dina windoe ka salapan, dina tjandi Panataran di tjaket Blitar. Soepados kaoeninga toetoeranana anoe leres ajeuna oerang wajangkeun lalakon Ramaijana teh. Awit tjarioskeun:


I Radja Dasjaratha

Dasjaratha teh radja agoeng toer linoehoeng, nagarana di Ajodhja sakaléreun waloengan Gangga tanah Kosjala, di boeana Hindoestan.

Koe lantaran andjeunna teu kagoengan poetra, nja ladjeng ngaroeat andjeun koe korban-koeda (paardenoffer), noemoetkeun talari Hindoe harita.

Harita para Déwa noedjoe menekoeng siang wengi neneda soepaja Wisnoe loemoengsoer ka alam lahir, baris ngajonan Rahwana anoe salamina nghihileudan sareng ngaganggoe ka arandjeunna, tina Déwa-déwa geus ngaraos tétér njangga karosaanana éta Rahwana, anoe sakitoe ngoembar napsoena.

Wisnoe ngaboelkeun panoehoen para Déwa, nja loemoengsoer djadi poetra Dasjaratha anoe kakasihna Rama tea. Noemoetkeun agama Hindoe, Wisnoe téh loengsoerna ka doenja geus sababaraha balikan. Nitisna ka lahir lain ngan mangroepi woedjoed djelema baé, tapi noemoetkeun kaperloean doenja pikeun roemaksa ka para mahloek dina saalamna-saalamna. Ti barang goemelar doenja geus nitih 4 djaman, nja éta 1 Djaman Kreta, 2 Djaman Treta, 3 Djaman Dwapara-joega djeung djaman ka-opat noe ajeuna keur kalampahan koe oerang, nja éta Djaman Kali-joega. Dina éta opat djaman Wisnoe téh geus nitis kana: Laoek, ka Koeja, ka Bagong, ka Djelema-Singa, (man-leeuw), ka djelema tjabol, ka Batara-Rama-njandak-pitik, ka Batara-Rama poetra Radja Dasjaratha, ka Batara Kresna djeung ka Sang Boedha. Engké dimana ieu djaman Kalijoega, nja éta djaman kalangkaboet (djaman edan, saoer Ronggowarsito mah. S.d.R.) toetoep geus kaliwat, Wisnoe téh bakal loemoengsoer deui, toenggang koeda bodas, baris ngabasmi kadaliman kadjahatan ngagempoer soegri kanistaan kagorengan, digentos koe adil anoe noengtoen kana katentreman kaamanan, rapih répéh taja geusan genah kapasaran.

Sakoemaha anoe parantos ditjarioskeun kapoengkoer Dasjaratha téh ti tiloe warga kagoengan poetra opat, nja éta Batara Rama (titisan Wisnoe téa), Bharata, Lakshmana sareng Sjatroegna.

Barang éta opat moerangkalih geus arageung, ka karaton Ajodhja soemping hidji pandita, anoe kenging disébat pangrorok para poetra radja téa. Nja andjeunna anoe djadi goeroe éta maroerangkalih téh.

Batara Rama sareng Lakshmana anoe katjida kadeuheusna, arangkat ngiring Sang Resi merangan boeta denawa. Ieu doea satria koe Sang Resi dipaparin pakarang poesaka [ 115 ]noe gedé kasiatna, nja éta gandjaran wawanénna anoe parantos boekti dina waktos perang téa, soepaja baris soepagi arandjeunna ariasa deui ngalaksanakeun kasatrianana, langkoeng ti anoe enggeus-enggeus.

Dina sabot Batara Rama sareng sadérékna ngiring Sang Resi ngalakonan perang sareng boeta-boeta téa, djol arandjeunna saroemping ka hidji nagara, ngaranna nagara Widéha, radjana djenengan Djanaka anoe keur noedjoe saémbara. Ari saémbarana njaéta: Saha-saha anoe iasa mentangkeun gondéwa poesaka karadjaan, bakal digandjar poetri, poetra Sang Radja Djanaka anoe djenenganana Sita (Déwi Sinta).

Ari saenjana mah éta Déwi Sinta anoe disaémbarakeun téh, sanés poetra tjara galibna anoe dibabarkeun biasa, tapi ieu mah poetri anoe medal tina singkal woeloekoe, njaéta nalika Sang Radja Djanaka keur ngawoeloekoe di hoema, aja wahjoe toemoeroen borengkal tina singkal medal moerangkalih istri anoe djadi poetrana, didjenenganan Sita.

Parantos pirang-pirang Radja anoe ngiring kana éta saémbara, tapi teu atjan aja hidji anoe iasa laksana, nampi noegraha meunangkeun Déwi Sinta, poetri anoe geulisna pinoendjoel.

Nja ladjeng Batara Rama ngadjadjal karongkahan salira, lebet kana balabar-kawat, mentangkeun gondéwa. Barang dek dipentangkeun, éta gondewa lian ti kénging dipelengkoengkeun biasa téh, ieu mah diwengkang nepi ka dorokdok potong, sarta sorana ngageleger matak eundeur sadjadjagat.

Koe margi éta Déwi Sinta kenging koe Batara Rama, sarta teu lami Maha Radja Dasjaratha soemping ka Widéha baris ngaréndéngkeun Batara Rama ka Déwi Sinta. Péstana ramé lain dikieuna. Poetra-poetri estoe noeroeb-tjoepoe, toeroeg-toeroeg loeloes bangloes teu aja pisan barébédanana.

Namoeng handjakal réh anoe keur sakitoe roentoet raoetna téh pinanggih pakewoeh, lantaran:


II Batara Rama kedah nilar karaton.

Saparantos Kangdjeng Radja Dasjaratha ngaraos geus ninggang mangsa kana loegaj tina ngasta karadjaan, andjeunna aja kersa sésérén ka poetra, Batara Rama. Kangdjeng Radja parantos nimbalan pandita karaton anoe djenengan Wasistha, tjatjawis, bébérés, tetebah njajagikeun sapoeratina pikeun ngistrénan Batara Rama noe baris didjoengdjoeng loenggoeh mangkoe kadaton.

Nanging pinanggih pakewoeh, lantaran para tjeti para embam Déwi Kaikeji, iboena Bharata, barang ngoeping Batara Rama baris didjenengkeun radja ngagentos ramana téh, ngarasa toegenah kawoewoeh panas, ladjeng ngawoedjoek njaroendoetan ka doenoenganana, soepaja Déwi Kaikeji oendjoekan ka Maha Radja moendoet njoeparkeun kersana Radja, sarta ngangkat poetrana, nja eta Bharata téa kana djadi Ratoe anoe mangkoe kadaton ngagentos rama.

Déwi Kaikeji énggal naker gedagna kaanginan, sarta gilig jén baris mélaaan wiwirang poetra. Pikeun ngalaksanakeun kahojongna, andjeunna teu kedah ngoelajaban néangan akal, margi parantos kagoengan pakarangna anoe harita masih kénéh dikemoe, nja éta wiréh nalika Kangdjeng Radja tatoe dipangperangan, nja koe andjeunna digoegoeloeng sarta didjait tina bahja anoe kaoengkoel koe adjal, nja ladjeng Kangdjeng Radja lisan djangdji, anoe pasti, baris ngalaksanakeun doea roepa pamoendoet garwana, pamoelang tarima pamoelasarana sareng kabélaanana ka tjarogé.

Piéndjingeun pésta ngadjenengkeun Batara Rama téa, Déwi Kaikeji ladjeng ngadeuheus ka Kangdjeng Radja, oendjoekan jén andjeunna baris kagoengan doe roepi pamoendoet, sakoemaha anoe parantos didjangdjikeun dina pangperangan téa.

Kangdjeng Radja sakalintang hémeng galih, ningali garwa doemeuheus teu tjara biasa sasari, bangoen aloem kasapoet koe sedih kingkin, toeroeg-toeroeg aja pamoendoetna kitoe. Atoeh énggal disambat, sareng harita kénéh didawoehkeun, jén naon baé pamoendoetna baris disembadaan, moal aja anoe dipoengpang.

Tidinja pok Déwi Kaikeji oendjoekan:

“Hidji, njoehoenkeun soepaja Rama diboeang ti nagara, lamina opatbelas taoen.

Doea, njoehoenkeun soepaja Bharata didjoengdjoeng noeloejkeun mangkoe kadaton”. [ 116 ] Barang Kangdjeng Radja, ngadangoe pamoendoet garwa kitoe, sakalintang kagetna, liwoeng kalboe anoe tanpa wilanganana, ngadadak toenggara manah, wireh kedah milih doea roepi anoe sami abotna, njaeta tjidra atawa téga mitjeun poetra.

Awitna koe Kangdjeng Radja garwana dihaben dioepah-apeh, sangkan oelah kamalinaan dina kagoengan pamoendoet kitoe. Nanging Dewi Kaikeji weléh teu kenging diongget-ongget malah ditoengtoengan koe saoer, jen Radja teu meunang loentjat moelang lantja-lintji henteu tigin kana djangdji.

Endjingna parantos sajagi baris pésta gedé ngangkat Batara Rama kana Radja Anom. Di pamengkang hempak para ponggawa, para menak para pandita, eusi nagara toengkeb pada koempoel sadajana, moeng Kangdjeng Radja teu atjan loengsoer kénéh bae sakitoe harita geus siang pisan.

Koe marga eta ladjeng Batara Rama dioetoes koe sadajana, kedah doemeuheus ka djero poeri, oendjoek oeninga ka Kangdjeng Radja jen parantos sajagi, sanis kanten teu aja kakirang.

Sasoempingna ka pajoeneun Kangdjeng Radja, andjeunna ngadangoe dawoehan radja, nibakeun hoekoeman salirana sapamoendoet iboe kawalonna tea.

Batara Rama nampi wisik ti rama teu aja pisan gedér sebérna, panger teger istoe poetihberesih soemerah kana sakersa ramana, harita kénéh njoemanggakeun baris djoemoengdjoeng sadawoehanana, margi anoe djadi pelengan manahna sanes pisan kana kamoeljaan atanapi kakawasaan doenja, nanging noedjoe kasoetjian sareng nekanan lakoe papantjen wadjibing salira. Doepi lakoe kana ngalaksanakeun timbalan rama tea, eta hidji kawadjiban anoe pangmoeljana. Teu aja hidji kawadjiban lian, noe sakitoe linoehoengna (heiliger), kadjabi ti djoemoengdjoeng kana timbalan rama. teu baha kana kersana.

Ari koe iboena mah, Dewi Kausalja, téa, sareng koe saderekna, anoe djenengan Lakshmana, dihaben baé dipoekproek diririh-ririh sangkan henteu satarabasna teuing toemoetna kana dawoehan ramana, namoeng Batara Rama koekoeh pengkoeh kana ngoedoekeun salirana toemoet poetoesan ramana, nja eta djoemoeroeng sarta roemodjong sangkan ramana oelah pinanggih lantja-lintji, ngarandapan tjidra tina soebaja.

Enggalna Batara Rama popojan ka Sinta, jen andjeuna bakal tilar nagara, patoeraj djeung garwa, malah ladjeng miwedjang jen sabot dikantoen kedah soemerah pasrah, iman salalawasna lakoe lampah oelah ingkar tina papagon oegeran sara agama, hormat tilawat soemoedjoed ka sepoeh, sareng ka Bharata, anoe pingagentoseun ramana, ngasta karadjaan.

Nanging Dewi Sinta teu werat toemoet kana pamoendoet raka, margi lisan éta moekah wadjib panatan istri, moal kadoega moal téga andjeuna ningali raka angkat njalira, Dewi Sinta sasaoeran ka rakana: "Menggah wadjibing noe djadi istri, amoeng toemoet ka tjarogé, panoetanana lahir djeung batin. Goeloeng sagalang soemoedjoed béla toemoetoer, dina rara dina bagdja, eta papantjen istri ka panoetanana. Tangtoe tjoel indoeng téga ka bapa, nolas ka anak sorangan, diri pribadi teu dihiding, soemerah raga djeung njawa geusan mélaan salaki. Kitoe tekad istri gamparan, anoe moal keuna koe owah gingsir. Gamparan bade ngalalana njorang leuweung, abdi, garwa gamparan, anoe pinarataseun djalan, garwa gamparan anoe loemakoe tipajoen sangkan gamparan kadjaring tina kanjeri karaksa tina balangsak. Itjal rasa kaloeman, tan wandé anggang tina soebaha ngarasoela, oepami garwa gamparan toemoet roemawat melaan gamparan. Abdi teu werat teu kadoega pasah ti gamparan, nadjan di nagara didama-dama njanding sawarga, tapi paanggang ti panoetan mah taja petana tiasa. Patebih ti salaki, abdi moal pinanggih djeung kamarasan, naraka salalawasna. Nadjan siga nekanan lara masakat, kasapoet kabalangsakan, oepami abdi toemoet patjaket, eta sawarga geus moal boa!"

Koe Batara Rama, ditjarioskeun bakal pisangsaraeunana, pibahjaeunana loemakoe di alas bandawasa, kawantoe bakal njorang leuweung ganggong si magogong. Nanging sadaja piwoeroek téh negel teu teurak, teu matak ngagedagkeun kana manahna Sinta anoe toehoe satia ka tjarogé.

Nja toengtoengna rakana ngadawoeh ka Sinta jén ningal sakitoe roemaketna [ 117 ]soemoedjoedna, tangtos moal iasa ngahalangan bakal sareng ditjandak ngoembara ngalakonan hoekoeman pasihan ramana tea.

Nja kitoe deui saderekna anoe djenengan Lakshamana tea teu kersa kantoen, baris béla toemoetoer ka rakana.

Djoeng tiloean angkat ngantoen karaton, moeugkoerkeun kamoekten doenja, panganggona koelit kai noe dianggo. Awit diiring koe eusi nagri anoe beurat tibélat ka doenoengan, Hanging di tengah leuweung sabot anoe ngiring sararé, koe Batara rama dikantoen, andjeunna mah lolos tiloean baé.

Kangdjeng Radja Dasjarata, diroengroem woejoeng nandangan soengkawa manah, lantaran pisah ti poetra kakasih, broek ngangloeh teu aja pisan euih-euihna. Dina hidji wengi keur ngagoeligah loemenjap manah, ébog bari goeling-gasahan, andjeunna ras emoet, atra sadaja lampah ka toekang, tétéla jen nalika boeboedjeng di leuweung geus nelasan hidji panditanonoman kalawan sanes disangadja, sarta emoet deui kana soepatana rama eta pandita, hidji sepoeh anoe sotjana geus teu awas, jen wawales anoe baris toemiba kana salirana teh, nja éta baris poepoes kaleleban koe poetra.

Maha Radja Dasarata ngaraos geus nintjak ka mangsana éta soepata teh kapedak karandapan harita koe andjeunna.

Salira Maha Radja nangnaj loengsé, taja tangan pangawasa, sarta pok sasaoeran ,,Nja ajeuna bakal datangna adjal teh. Eh, tjatjak lamoen koe Rama, aing dirampa nja raga, atawa sagokan bae aing patembongan djeung Rama tan wandé aing itjal nahnaj djagdjag ngadadak waras, waringkas tjara baheula bihari!"

Teu kendat sasambatna ka poetra nepi ka lesna pisan Maha Radja Dasjarata poepoes, ngan Rama noe kapitjangtjam.

Sanggeus Maha Radja Dasjarata moelih ka Kalanggengan, Dewi Kaikeji enggal djengkar diiring koe para mantri nepangan poetrana Bharata tea, baris masrahkeun kaprabon, didjoengdjoeng djoemeneng Radja ngagentos rama. Ranging Bharata, anoe tadina lebeng boeta-moena kana pikersaeun iboena, nandoek teu iasa noemoetkeun kana pamoendoet iboe, sareng tetep anteb jen anoe kedah didjoengdjoeng loenggoeh ngasta karadjaan teh, nja eta Batara Rama anoe parantos digadang-gadang koe ramana. Koemargi ajeuna Rama teu aja, koe andjeuna baris enggal disoesoel, sina moelih deui ka, nagara. Bharata djengkar ti kadaton diiring koe para, ponggawa, baris ngilari saderekna. Kasoesoelna di Goenoeng Tjitrakoeta. Rai-raka silih rangkoel tina ngaraos sono, kasawoer koe sedih. Saparantosna nembé Bharata ngoendjoekkeun kaprihatosan manah, ditéték ti wiwitan dongkap ka wekasan. Bharata roemaos jen ramana doegi ka poepoes teh, kalepatan sareng dosa anoe nawoekoe dina salirana, sareng di iboena koe andjeun. Bharatha keukeuh moendoet soepaja rakana moelih deui ka nagara.

Nanging koe Batara Rama disaoerkeun, jen teu aja djalma noe lian anoe geusan katempoehan, papantjén séwang-séwangan, doepi andjeunna paratos ditibanan hoekoeman, taja kersana baris moekah anoe larap kana salira saméméhna kalampahan, ngalanggar wangsitna rama.

Di dinja harita Batara Rama ngadadak njoesoer tanah ramana, ladjeng ngabangbrangkeun kasedih raina koe woeroek anoe djadi woelang.

Sanes moeng koe Bharata baé Batara Rama diririhan dikeukeuhanana soepaja kersa moelih deui téh, dalah koe pandita Wasistha sareng koe Djabali oge, weléh bae teu kersaeun.

Pikeun tawis nampi kana mangkoe kadaton Batara Rama Maparinkeun titihanana, (taroempah) anoe disoeat koe emas, tjitjirén kakawasaan nagara, da ari andjeunna mah baris tetep ngoembara di pileuweungan.

Bharata moelih deui ka Ajodhja, taroempah diteundeun dina singgasana karadjaan, sarta andjeunna ngasta ka kawasaan roemaos djadi wawakilna, sabot rakana anoe kagoengan hadas teu aja.

(Aja Samboenganana).


Tjandra Sangkala

Dina Oenak-anik basa Soeda III P. S. N. 7 parantos ditjarioskeun jen karoehoen oerang mah koedoe bae mere pesékkeun, tara [ 118 ]némbrés diébreh-ébreh ari miwoeroek mitoetoer teh. Eta kabiasaan kitoe tea dina sagala roepa, komo dina nangtoskeun bilangan taoen mah, kawasna teh lodjoe teu soeroep bae karaosna koe para boedjangga baheulamah, oepami njebatkeun taoen dina aja kadjadian anoe perloe djadi pangeling-ngeling koe bilangan biasa. Sandi panjoempoetan bilangan taoen, biasa disebat Tjandra-sangkala at Sasangkalan.

Koe pok-pokanana dina omongan tjandra-sangkala, oerang teh geus matak bingoeng, tapi ari moenggoehing karoehoenmah kawasna eta teh koerang boeni keneh bae, da dioendakkeun deui tina omongan oeni teh, kana gambar, djadi aja gambar anoe djadi tjandra-sangkala, sapertos di Pasar gede aja gambar noe toempak koeda njekelan tarompet di toekang di hareup aja gambar tjaoe sikatan, netelakeun taoen 1796.

Di Moesioem aja gambar (artja) sapi sirahna dipapaesan tjara papaés pandita, anoe ngégél boentoetna. Dina eta artja aja toelisan anoe mimitina oenina: sakakalanja goh, wikoe, hanaboet, 1397. Hartina: Dina taoen Saka ieu lemboe (9) tjara Resi (7) ngégél (3) boentoetna (1).

Ari atoeran njiennna eta tjandra-sangkala teh, nja eta ngatoer éntépanana ketjap anoe djadi gaganti angka, sing oeni ngandoeng harti. Ari éntép-seureuhna ketjap koedoe tina hidjianana heula mapaj kanapoeloehan ratoesan réboean djeung sateroesna. Saperti oepama oerang rek njeboetkeun taoen 1400, dina tjandra sangkala mah koedoe tina 0 heula mapaj kana 0 deui kana 4 kana 1, pokna: Sirna (0) ilang (0) kertaning (4) boeni (1) téh, hartina taoen 1400.

Ieu di handap diserat, ketjap-ketjap angka anoe sok dianggo tjandra-sangkala teh.


Angka 1

Boeda. Boedha. Basoeki. Boemi. Dara (parawan) Dhara (méga). Djaloe. Djalma. Djanma. Djana. Grana [iroeng], Aloeran [toeroenan]. Hardja. Wani. Eka. Istri. Kawit Kantja. Njata. Toenggal. Kerta. ilat [létah]. Wani. Lisan [baham]. Béntang koekoes. Oedel. Naja [pameunteu]. Ati [sanoebari]. Lamboet (patoeangan). Kapoetrén. Poernama. Radja. Rahajoe. Ratoe. Goesti. Roekoen. Roepa. Ron [daeon]. Salira. Sasih. Béntang. Tjandra [Boelan], Woeroek [Piwoelang]. Soerja [srangéngé]. Soeta [poetra] Sirah Sit [tanah]. Warnaming.


Angka 2

Dengkoel. Dampal. Asta [panangan] Karo [doea]. Karna [tjépil]. Kembar. Kara. Hamaloe. Hanembah. Boedja [taktak]. Dresthi [kening]. Gandoe [tjatjarioean], Giwang [oeang-oeang]. Hama [siki panon], Jenangana [emé] Kara. Karni [liang tjepil]. Lambong. Lantangono. Lar. Lotjana Légra [liang pangamboeng]. Njembah. Maksa. Maripat (paningal]. Metra at. Manik. Najana. Nétra Paningal. Pangreungeu. Pepasa. Pembajoen [pinareup]. Poepoe [pingping] Raksa. Reksa Sampean. Sikara (dampal panangan) Soegnoe at Lamboe (tandoek sapi). Soeta-naja (Boedak doea). Tjarana (lambej).


Angka 3

Baja (boeaja). Bajalana (boeaja djaloe). Bahning at Bahni (seuneu parapén). Bata (hoeroeng). Boedjalana, at Boeroela (beloet). Brahma. Dahana. Djata (tétah seuneu). Koena at. Goena (piroeha). Gota (hawoe). Geni, at. Agni (seuneu). Hahi (sorot). Hanala(pétélan seuneu). Hanahoeti. Hapija. Hoedjal. (pamoepoet). Hoedjildjata (loebang). Hoeta (keler, paragi ngabatik). Hoetawaha (léntah). Hoetawaka (seuneu), Hoeti (tjatjing). Hoeninga. Kaja (seuneu). Kaping tiga (tanggal tiloe). Lahagni (seuneu anoe bidjil ti djero taneuh). Latoe (potelan seuneu). Lena (seunen). Nalama at. Nalagni (panas, ngentab). Pantjaka (Seuneu di poentjak goenoeng). Pawaka (seuneu kawah). Poedeng (seuneu doeroekan). Poejeng (seuneu pangragadjian at. seuneu doeroekan hoeoet). Poetjika at. Poetjitjika (seuneu leboe). Poejek (haneutna hajam njileungleum). Rana (seuneu di pangperangan). Siking (seuneu obor). Singking (seuneu anoe dipake matri). Tiga (leuweung kahoeroean). Toeminga at, Hoeminga (seuneu moengsrat) Tri (tiloe). Trimetra (Panon tiloe). Trining rana (seuneu). Triana (kelir tiloe geblég at. anoe njaba tiloean). Trisoela (panah anoe paksina tiloe). Trisirah (anoe sirahna tiloe). Weda (seuneu hawoe). Wena (keler hoeroeng). Weroeh (peurah). [ 119 ]Angka 4

Dadi (tjai hoedjan). Dhadih (tjai anoe dipake njeuseuh). Dhik (tjai kahampangan). Dik at nik (toeak akar). Diwahana (tjai tjampoeran). Djala (angeun herang, at. Lalab). Djaladi (tjai). Djala nidhi (tjai majit). Djala nadhi (tjai waloengan). Djaladri (tjai rantja). Djelangir (tjai ngembeng). Gaber (reuhak). Hadi (tjai ngagenjas). Hadji (tjinjoesoe). Hardjoena at. Hertjoena (tjai herang dina batoe). Hektasi (geutah akar noe sok didahar). Herna at. Hernama (tjai asem). Hernawa (tjai ngembeng di leuweung). Hetoeh (tjinjoesoe). Hoedaka (tjai anoe diwadahan). Joek (karinget). Kamil (tjipati toelen). Ping opat (tanggal opat). Karta (kareta). Karti, Kerti at. Kartwi (tjai soemoer). Ketig (getih). Leri (tjibeas). Lona (tjikaratjak). Loedah (tjidoeh). Loeh (tjipanon). Moentoek (boedah). Narmadha (waloengan gede). Nedi (tjai goenoeng). Oembel, Pataka (tjai kotor). Rantjaka (tjai bendoengan). Rantjaka Herna (tjai pancoeran, solokan). Sagara, Samadhra (tjai talaga). Samoedra (tjai kiroeh). Sindoe (tjai soesoe sato). Sindoe oepaka (tjisoesoe sato noe beunang di inoem). Soetji (tjai dina bak). Tasik (tjai tawar di basisir). Tadjen, Teloetoeh (geutah). Tirta (tjai). Tjatoer (opat). Tjatoer jogi (opat goeroe). Tjeladri (waloengan laoet). Toja (tjai bari). Tojadi (tjai tiis). Toijadhi (solokan). Toedhadih (tjai di loehoer pasir). Wah (tjileuntjang). Wahana (tjai hoedjan meunang nandean). Wahoe (lahang). Wahoedhadih (toeak). Warih (tjikalapa). Warna (tjai anoe katingal goemilap ti kadjaoehan). Warnatoja (tjai tjet). Warni (tjai oejah, tjai asin). We (tjai panas inoemeun). Wedhang (tjai asak). Weh (tjoeroeg). Wirna (tjai). Woeloesan (iboen anoe djadi tjai).


Angka 5

Bajoe (toenggara, angin riboet). Bana, Boetha, Djeksa, Jeksa at Jaksa (tanaga, tanaga kabedasan). Gana (angin tarik). Gatj (angin anoe ditiupkeun tina soengoet). Goelingan (angin lindoek). Hastra (angin lantaran kakipaskeun). Hendri (angin ngadalinding). Hindri (angin poejoeh). Kalima, lesoe (angin poejoeh). Marga (angin laoet ngabiliwir). Margana (angin lajar). Margi (angin darat ngadalingding). Maroeta (angin). Pantja (lima). Pandawa (lima saderek). Pantjabaja (lima tanaga). Pawana (angin tarik di leuweung). Rakshasi at. Raseksi (boeta awewe). Rakshasa at. Raseksa (boeta lalaki). Samari (angin tiis). Sara (angin ngahioeng). Saramaroe (guleterna hawa). Samarina (saab raga djelema). Tata (ambekan). Tatagati (angin anoe kaloear tina iroeng). Warajang (angin kakamposan). Wastra (djamparing melesat). Wisaja (angin anoe bidjil tina lamboes). Wisikan (angin anoe disada). Wisikhan (angin ngadalingding wengi). Wirwajang, Wrajang.


Angka 6

Boedia (boedi). Boedi, Boedija, Boengker (gagal). Dhana (asin). Doeta (alamat, tanda). Gana (seungit). Gardjita (rasa ati, rasa hate). Ginem (rasiah). Gita (reuwas,kaget). Goenem (ngabadamikeun roesiah). Gondho (angseu). Hagas (kai toehoer). Hagannen (ngitjip-ngitjip). Hajak (soegri anoe oesik). Hambar, Hamboengker (gagal). Hanamani (rasa adjaib). Hanggas (amis). Hangana (pidjagaeun, pikahareupeun). Jogja (tempat pikabetaheun). Kanep, Karengngio (karoengoe, kadangoe). Kagerenga (boeroeng). Karengkarna (Sora anoe kadangoe). Kwisa (rasa minjak). Lana (lada). Lindoe (lini). Mangsa (oesoem, moesim). Mela (haseum). Moeni (sora). Moenisan (hoang, hiem). Mamaning (rasa). Obah prabatang (tjatang, kai ngagoler). Poekret (sieun, reuwas pisan). Renga (rasa). Reta (rasa tjampoeran). Retoe (keutar). Sad (genep). Sadpada (sato soekoe genep). Sadrasa (rasa loeloegoe anoe genep roepa). Sajak (rasa anoe robah-robah). Sajeg (loengse). Sanda (tanda). Sandhi, Sangwenajang (pelem). Sarkasa (rasa madoe). Tahen (kai, tangkal kai). Tikto (pait). Wajang, Wateke, Wedih (sieun). Winajang at. Winanjang (lada). Woenoes (sora). Woewoesen (bentes, oetjap anoe bentes enja). Wreksa (kai beunang noear).


Angka 7

Bantjala (goenoeng pangtapaan). Beksoe (goenoeng anoe ngaloearkeun tjai). Beksoeko (banteng). Bitsoe (goenoeng goendoel). Giri (goenoeng anoe kawahan). Goera (goeloedoeg). Goeroe, Goenoeng, Gora (karamat).

Kageng sjawara (ngagoronggong). Haksa (segogan goenoeng). Haldaka (goenoeng anoe [ 120 ]deukeut lemboer). Handaka (goenoeng doea ngarendeng). Handaswara (goenoeng ka koenang-koenang). Hardi (goenoeng di deukeut laoet). Hasa at. Hangsa (soang). Hasalika (goenoeng anoe keur ditjaritakeun). Hemawang (goenoeng njungtjung, goenoeng anoe awas ti kadjaoehan). Hendra (goenoeng loehoer). Hindra (Batara Indra). Himawan (Himalaja, goenoeng anoe salawasna kasapoet halimoen). Jamaoeni (korontjongan wengi). Kapitoe (katoedjoeh). Koedha (Koeda anoe teu make rarahab, koeda lagar). Mandhala (goenoeng anoe ngewag, goenoeng beulah). Pandhita, Parwata (goenoeng gede). Pertala, at. Patala (langit 7 lapis). Prawata (goenoeng ngadjadjar, bukit barisan). Ragoetjatha (moending pelen). Rangoetjala (moending bikang). Redija (goenoeng gede). Redi (moemoenggang). Resi (pandita). Sapta at. Sabna (toedjoeh). Saptadita (goenoeng pangtapaan). Swara (soara). Tjala (soekoe goenoeng, toetoegan goenoeng). Toempakan, Toenggangan (koeda goenoeng). Toerangga (koeda toenggang). Wanawasa (goenoeng anoe pinoeh koe leuweung, leuweung pamoroan). Wikoe, Wisoe (rea). Woekir (goenoeng kalangenan, goenoeng pasanggrahan).


Angka 8

Baksoe (toke). Basoe (toke). Bermana (njiroean djaloe). Bermani (njiroean bikang). Bermara (njiroean hideung). Boedjangga (oraj gede, boedjangga). Dipa (gadjah). Dipangga (gadjah dirarahaban). Dirada (gadjah meta). Gadjah, Goendjara at. Koendjara (gadjah anoe dirante, gadjah dina kandangna). Hastha (gadjah djaloe). Hesthi (gadjah bikang). Kadi (gadjah leutik). Kala (waktoe). Kari (waktoe anoe geus kaliwat). Kawoloe (kadalapan). Lakarija (gadjah gadingna gede). Liman (gadjah djarah). Liman waloe (gadjah leuweung). Manggala (gadjah dipapaes). Matangga (gadjah gede). Meta (gadjah ngamoek). Moerti (kadal). Naga, Nanggala (gadjah make pakarang). Ngiradha (gadjah lindeuk). Panagan, Sajat (gadjah pikeun perang). Samadija at. Samadjoe (gadjah dipangperangan). Sawar at. Oela (oraj). Selira (bajawak). Tanoe (londok). Tekek (toke). Was (langgir). Woloe (dalapan).


Angka 9

Babahan (liang oeroet ngabongkar). Boetoelan (panto toekang, lawang toekang). Dibara (benteng). Djoesara at. Djoewa (liang leutik). Djoewa rananda, Ngara at. Joetoe (liang djaroem). Dora Drona at. Doerna (lawang kana katjilakaan). Dwara (lawang, dora). Gapoera, Gatra (liang). Gegenep (does, tjepoek). Goewa (goeha). Graha (liang keujeup). Growong (bongbok). Herong (liang oraj). Hesong (liang landak). Hongso (liang anoe tembong ti kadjaoehan). Kasanga (kasalapan). Lawang.

Leng (liang leutik). Leng katal (liang lantjah maoeng). Leng dhong (liang lele). Leng gendon (liang toko). Lengsemoet (liang sireum). Lesong (lisoeng). Mandra, Nodro at. Lodra (panggoejangan moending). Menga (tjalangap). Nakdho (liang bangkong). Nawa (salapan). Rago (liang anoe teu awas). Roga (liang sato). Roedra (goeha rantja). Rong (goeha, liang di djero taneuh). Sadra (liang). Song (torowongan). Teroes, Tjeleng (liang tjengtjelengan). Troestha (kolowong awi). Troesthi (liang djangkrik). Troesing (teroes). Wadra (srangenge kahalangan mega). Wadana (sirah). Westhi (liang soempit). Wilatjita (liang papanting). Wilosito (liang teuweul). Wilesita (katja-katja). Wiwara (liang goeha). Wraksa (bongbok).


Angka 0

Barakan (halimoenan), ngaleungit). Barakanda (teu inget). Bema (djarami, djoekoet toehoer). Boema at. Doma (djoekoet paeh). Dhadasga (pikahareupeun, pibakaleun). Dhestha (djadina). Dhesthi (kaalahan). Dhohi (leungit, eleh). Djawi (kosong). Jati at. Jate (wedal). Gagana (langit). Haboe (leboe). Hadoh (djaoeh). Haksa (awang-awang). Hana windoe (waktoe anoe teu kabilang, lila). Hanimbangi (ngarah matang). Haneng gegana at. Swasana (saab). Hawoek, Hawang-hawang Hengetna (poho). Henget (inget). Henir (teu miloe kaitung, kasingsal). Hilang, Kadeling (katingal). Kadi-kadi at. Kaja-kaja (asa-asa). Kasa (awang-awang). Kasija (rea). Kawidik (lelemboetan, njawa). Kanidhih (katoetoep). Langit, Loemakoe, Malawija (gede). Melesat (moengsrat). Maletik, Malaijewa (loempat). Moesna, Nara (leungit tina tingal). [ 121 ]Ngambara. Ngatekna (henteu aja). Ngidik (ngaroeksak, ngabasmi). Nir (enol). Poengkret (noe teu djadi). Pralena (paeh). Raga, Rona (kalakaj). Sakata, Serna (kaleboeh). Sirna, Soenja at. Sonja (tiiseun, kosong). Sonja roeri, Tampo, Tan karoehan, Tan katon, Tan ketoen (moebah). Wengik, Wedik-wedikan (karasa teu katingali). Widik-widik (lapat-lapat, aja katingal aja henteu). Wijat (ngapoeng nepi ka teu katingal). Windoe saja, Woek (bobo). Woesdadi (goemelar).

Tjonto roepi-roepi tjandra sangkala :

  1. Sirna ilang kerti ning boemi = taoen 1400, roeksakna karaton Madjapait.
  2. Boedha ikoe goelaning samadhi. Boedha = 1, ikoe = 1, goebaning = 9, samadhi = 1, djadi taoen 1911.
  3. Goena ikoe Moekaning djanma, taoen 1913.


Agama Boeda panggelar Boro-boedoer.

Agama Boeda.

Noemoetkeun papagon agama Boeda, sagala lakoe satingkah sapari polah, geus soemawonna panggawe djeung boeboeden boh noe badag boh lemes, njoempoet nembrakna teu pilih, eta tangtoe aja boeahna aja wawalesna; migawe hade meunang kahadean, migawe goreng bakal katibanan goreng deui. Soegri anoe karasa anoe toemiba kana diri, taja lian ti pamoelang lakoe anoe katoekang. Wawales djeung gandjaran anoe teu koengsi toemiba satoengtoeng oerang kakoeroeng oemoer goemelar di doenja anoe ajeuna keur disorang, eta bakal karandapan dina hiroep anoe kasanghareupan, dina lahir anoe nema gelar ajeuna. Kasoengkan kanjeri kangeunahan kasenangan anoe karasa ajeuna, nja anoe djadi wawales djeung pamoelang waktoe oerang hiroep bareto, dina hiroep samemeh gelar ajeuna. Djadi noemoetkeun pangadjaran Boeda, oerang teh gelar ka (di) doenja, lain ngan sakali satoengtoeng hiroep ajeuna bae, tapi sababaraha kali, memeh hiroep ajeuna bareto geus koemelendang di boeana, nja kitoe deui lamoen oerang adjal, tangtoe bakal lahir djadi oerang doenja deui. Moeterna adjal djeung lahir anoe boelak-balik tanpa toetoegan tea koe oerang Boeda dibasakeun: sangsara.

Demi anoe ngagelarkeunana agama Boeda teh nja eta:

Sang Boeda Gotama.

Nja Sang Boeda Gotama panoetanana sakabeh bangsa Boeda mah. Andjeunna oge lahirna ka doenja tepi ka meolihna ka Djati teh, geus sababaraha balikan, lain moenggaran kakara dina nalika gelar djoemeneng Boeda tea bae.

Medalna ka doenja nitih kahasih Gotama tea, beh ditoeeun Kangdjeng Nabi Isa gandjor 500 taoen, djadi toeg tepi ka kiwari geus leuwih ti 2400 taoen. Loemoengsoerna ka toean bangsa Sakja di nagara Kapila-wastoe tanah Nipal beulah Kidoel di Boeana Hindoestan.

Keurna moerangkalih keneh koe iboe ramana katjida dioegoeng diagoeng-agoengna, dieugeuh didama-dama, dipoekproek koe doenja brana, didjoeroeng dipoepoejoehkeun, estoe teu aja pisan kahirang, kawantoe poetra radja noe kawasa, soegih moekti beurat beunghar. Tina dimoeljakeunana ti boeboerej datang ka salira sawawa, henteu pisan ngaraos panggoda rantjana manah, henteu karandapan rasa nalangsa peurih djeung njeri, estoe moeloes dina kalang kamoeljaan ginandjar kangeunahan, ti tohagana pangraksa pamoelasara iboe djeung rama. Tapi barang geus joeswa 29 taoen, koeroeng pangoeger ramana oedar, Sang Boeda Gotama anoe lahiriahna kalioeng kasipoel dipoeoek ku kamoeljaan, kaagoengan, ajeuna sanget ngerik manah ngangres nalangsa taja kendatna, reh karaos aja anoe henteu lana, tanaga nekanan soeda, hiroep katoengkoel koe oemoer, roemoes djadi kaoela. Galih Sang Gotama teu aja pisan poelihna tina ngamanah kana wekasan djalma hiroep manggih toengtoeng, waringkas kasilih ripoeh, ana gering mangsar-mingsir inggis adjal maksa datang.

Dina salebeting andjeunna pinanggih toenggara manah, kaleresan prok sareng hidji pandita, anoe maparin bongbolongan ka andjeunna, koe woeroek anoe soeroep kana kalboena. Nja saparantos gilig manahna, [ 122 ]andjeunna lolos ti karaton nilar kamoektén doenja, dalah garwa ogé tjoel baé dikantoen teu pisan dianggo wagelan. Tina tjengeng manteng sedja njingkahan goda rantjana, andjeunna loemebet ka alas bandawasa, asroek-asroekan toeroen goenoeng oenggah goenoeng, mangkring galih njiksa raga, oesaha moekah salira. Barang parantos genep taoen lamina Sang Gotama ngalalana sadjeroning tatapa, kaleresan andjeunna keur ngaso di sahandapeun tangkal Boedigatja, nja katibanan wahjoe linoehoeng, nampi noegrahaning Djawata, panggalih toemiba ing Padang-tarawangan, itjal rasa asa-asa tetep anteb kana noe djadi pelenging manah.

Satoetasna kénging rahmat gandjaran Pangeran, Sang Gotama ladjeng djoemeneng Wikoe, ngamalkeun ageman kasampoernaan, dibaroeng koe ngaliarkeun élmo oeger-oegeraning kapanditaan.

Sang Boeda Gotama teu aja lirénna miwoeroek mitoetoer mikawelas mikaasih ka djelema-djelema ngagelarkeun kaboedajaanana lamina kenging 45 taoen, sarta barang dina joeswa 80 taoen andjeunna poepoes, moelih ka Kalanggengan moengkoerkeun alam Sangsara. Doepi lajonna ladjeng didoeroek, sekarna diandoemkeun ka para moerid, nja djadi poepoendén djadi djimat, sesembahan tepi ka ajeuna.

(Aja Samboenganana.)


Wajang Allah.


Sakoemaha anoe parantos diterangkeun dina P. S. No. 5 jén ngawajang téh éstoe pitoein titinggal karoehoen Soenda, sanés titiron ti Hindoe atanapi Keling. Jaktos ari lalakon sareng sesembén bangsa oenak-anik boeboek leutikna mah parantos seueur tjampoeran panglambonna, moeng poko tetep warisan oerang. Doegi ka ajeuna, masih aja kénéh peta ngawajang anoe noeroetkeun galoer karoehoen Hindoe, nja éta ngawajang anoe dilakoekeun koe doekoen-doekoen.

Parantos lami djisim koering ngoeping aja doekoen anoe biasa ngagajoeh lelemboet sarta pasang petana béda ti doekoen biasa, bédjana. Tina panasaran tamba kawaranan nja koe koering diala. Éta doekoen ngaranna Naiwasan, sok disareboet oge Bapa Djamet, ngora kénéh, oerang Kadatoean katjamatan Madjalaja.

Saméméhna prak ngawajang ti beurangna parantos disajagikeun sapoeratina pikeun sasadjén, nja éta kadaharan salawé warna, roeroedjakan (roedjak tjaoe, roedjak asem, roedjak kalapa), doewegan, pangradinan, rampé beunang njaian dina djambangan gedé, seupaheun, soeroetoe, sareng menjan doea-tiloe goeroentoel sagegedé peureup kolot aja pangadji 15 ketipeun mah. Sadajana didjagragkeun di tengah imah.

Anoe njadiakeunana bodjo doekoen tea, Ma Enéh ngaranna, nja ieu ogé doekoen kénéh, malah tanaga gajoehanana, leuwih gedé leuwih bedas batan salakina, bédjana.

Teu lila kira-kira bada magrib, Ki doekoen djeung moerid-moeridna anoe biasa djaradi wajangna geus koempoel, réana aja kira-kira sapoeloeh djelema, djaba awéwé tiloen moeridna kénéh, geus karolot, anoe harita miloe.

Barang datang dek sasalaman, lila langkoeng ti biasa sasalamanana téh, aja kana saparapat djamna, bari teu répéh ngaradjah, pok-pokanana méh tjara anoe noembalan. Sakoer anoe aja kabeh diadjak sasalaman, nja kitoe deui moerid-moeridna, pada moerid deui, ka dalangna ka Ma Enéh téa, éta oge sasalaman. Waktoe Ma Enéh keur sasalaman djeung anoe sédjén, habek-habek baé dipepeg tonggongna sataker tanaga koe Dalang téh, éta biasana, aboes kana tarekah pangemat lelemboet kénéh. Koekoes ngeloen ngeboel teu aja kendatna doegi ka moelek koe haseup.

Ki dalang geus dek ngawih bari metakeun hihid, kawihna roepa-roepa sisindiran, lagoena ngeunah lain dikieuna matak kelar matak ngangres, pantes djadi lagoe pangematan. Oenggal sisindiran, pada boga peta sorangan, pok-pokanana aja soesoeroepanana kana tingkah lakoena Dalang, sabab sabotna ngaleu ngawih téh teu tinggal peta, djeung réngkat soerahna omongan téa. Kawih anoe djadi babakoe sisindiranana: [ 123 ] Leumeung teundeut tjotjongoan, djalanna ka Radjagaloeh. Meungpeung deukeut sosonoan, djaga mah oerang padjaoeh.

Selang-selang tina ngawih dalang téh tjong njembah ka sakoer anoe aja bari ngomong: “Mangga njanggakeun!” Harita anoe nongton geus pinoeh.

Dalang the roepana katjida tjapena da tepi ka ngesang, ari moerid-moeridna sanggeus datang lila ngawihna, pada njaroeplak totopongna, sawaréh aja anoe ditjoeplak toeloej dibeubeutkeun iketna koe Ma Enéh téa atawa koe moerid anoe sédjén, sarta moerid-moerid téh (wajangna) reup pareureum bangoen lesoe.

Teu lila djoeng anoe saoerang nangtoeng réngkénék ngigel roepa-roepa tingkahna, sarta doeroegdoeg batoerna limaan atawa genepan digoesoeran ka tengah toeloej digoledagkeun.

Dalang teu eureun ngawihna, ari wajangna téa, aja anoe lalangsoedan, aja anoe djoengkir, aja anoe ngabedega baé, aja anoe ngadjapapang, aja anoe adjrag-adjragan roepa-roepa polahna, kawantoe keur kasoeroepan karoehoen téa.

Sabot keur kitoe regot-regot ngarinoem tjai rampé anoe dina djambangan gedé téa, nepi ka béak, Teu lila salah saoerang wajang téh aja anoe kakaoet tjatjakar bari kakarandangan tjara tingkah lakoe maoeng, toeloej dibéré endog hajam, teu lila golédag baé saré. Moeridna noe awéwé téa oge teu tjitjing, réngkénék deui ngigel, kakajangkangan paajang-ajang doeaan bari metakeun karembong, tapi teu lémék teu njarék.

Sabot keur kitoe rigidig anoe saoerang dipoenggoe koe batoerna deregdeg dibawa ka hawoe ka goah ka boeroean, ka pipir, teu lila boes deui ka imah, toeloej ngigel ririgigan bari moemoenggoe batoerna téa.

Kitoe baé petana ti soré dongkap ka méh djanari, teu aja eureunna. Nja ieu anoe diseboet ngawajang Allah koe Dalangna téh.

Saparantos réngsé kakara koe koering ditanjakeun katranganana. Kieu tjaritana:

  1. Ngawajang kitoe téh, lamoen diogan koe anoe hajang diroeat, anoe hajang salamet dj. s. t. lain pikeun kamonésan tatanggapan teu poegoeh.
  2. Waktoe dalang geus prak ngawih, karasana koe moerid-moeridna awakna djadi bareurat, djeung rada lendeng, éta sababna anoe matak hajang peureum baé. Sanggeusna reup peureum béh aja anoe katinggal, lelemboet “karoehoen” ngabelegbeg kawas kalangkang, aja ogé anoe bodas, sarta datangna ganti-ganti, aja karoehoen ti Tjampaka, ti Tjipakoe, ti Loearbatang, ti Parakan Moentjang, ti Madjalaja dj. s. t.
  3. Waktoe awéwé noe ngigel, éta Nji Sri anoe soemping.
  4. Peta moerid anoe roepa-roepa téh, pangadjak piwarangan “karoehoen” anoe soemping téa.
  5. Maoeng anoe njoeroep ménta endog téa, toetoenggangan salah sahidji karoehoen anoe harita soemping ka dinja.
  6. Djoerig djeung dedemit anoe datang atawa anoe aja di tempat-tempat anoe dareukeut, nja katinggal deui dina waktoe keur peureum téh. (Tjeuk hidji moeridna).

Kadjabi ti éta, Dalangna téh pinter pisan ngirataan ketjap, sadaja ketjap, sagala ngaran barang, diterangkeun koe kirata, nerangkeunana lantjar sareng gampileun pisan. Malah lian ti omongan téh, wawangoenan, barang-barang sadajana koe manéhna kenging ditjarioskeun kiratana.

Sakitoe anoe harita kapendak téh, ari leres henteuna satjarios katrangan téa, éta mah “doeka teuing

S. d. R.


Paririmbon

(Samboengan P. S. No. 6)

11. Asihan paranti ngadeuleu.
Deuleu aing deuleu deungdeung, deleng koe mata sira, salondari sia seuri salondari aing datang, salondari sia tjeurik, salondari aing poelang, tjeurik noetoerkeun, sih asih ka awaking.

12. Asihan Goerijang.
Tékték aing tékték asih tékték aing radjakanten, paranti malikkeun angen noe [ 124 ]tineung, Goerijang toeroen ti goenoeng, matak sono sa Tjirebon matak waas sa Mataram, koentia toeroen ti peuting, sira welas sira asih, sih asih ka awaking.


Djangdjawokan

1. Paranti keupat.
Tabé poen bibi tjemok kawirantakan,ngalalar ngawentjang-wentjang, lar ka ditoe lar ka dieu, tjoetjoendoek ti Timoer ngeupatkeun béntang ti kéntja, goemoeroedoeg lain goegoer, goemarapak lain hoedjan, reumis tjimatana si . . . . (Ngaran boedak anoe mapatkeun) ditendjo koe saider boeana kabéh.

2. Paranti ngadeuleu.
Deuleu-deuleu sibanteuleu, deuleu aing siman rindoean, deuleu aing siman rinoekasih, dideuleu teu weudeu-weudeu rat sanéh soréang sanéh, disoréang hajang kénéh, mangka welas mangka asih ka ratoe asihan aing, dideuleu saider boeana kabéh.

3. Paranti seuri.
Poeroeloek boej ti hoentoe, paralak baj tina létah, seukeut seuri tadjem pantes, pret majang pret salasih, ret noe hajang rét noe asih, asih ka seuri awaking.

4. Paranti dipoepoer.
Poepoer aing poepoer panjamboer, panjamboer panjangling roepa, njalin roepa ti Déwata, njalin sari Widadari, nja tarang lantjah mentrangan, nja halis katoembirian, nja iroeng koewoeng-koewoengan, dideuleu ti hareup sieup, disawang ti toekang lendjang, ditilik ti gigir lenggik, mangka welas mangka asih ka noe dipoepoer, diténdjo koe saider boeana kabéh.

5. Paranti ngalantoeng.
Lantoeng lajoeng ti loeloeroeng, asihan si boeroeng poendoeng, satalandjoeng boeroeng djaoeh, salengkah kadoea njoréang, katiloena balik deui, pasareundeu henteu weudeu, papaliwat sia hajang, oendoer aing sia miloe, leumpang aing sia dibawa, dina paroeng sia poeroen, dina eréng sia daek, mapaj lintjar sia hajang, lamoen sono top totopong, (lamoen awewe anoe mapatkeunana koedoe oelah top totopong, tapi: Lamoen sono top karembong) bongbolong baloembang tjaang, katjaangan koe awaking, leungit wirang tinggal hajang, kabongroj koe raga aing, aing noenggelis. Noengning-him-hijang lénggang.

6. Paranti nitah oengkoet-oengkoet.
Oengkoet-oengkoet dora ngidoel, kirim aing boengkoes kosong, lain sakosong-kosongna eusi, eusina tjoepoe djeung badjoe, dieusi akma sapinggan, Rampoe poetjoes tiloe poeloeh, rempag bajah tigang welas, mangka welas mangka asih ka awaking noe ngaraga Déwata di boeana.

7. Paranti meper amarah doenoengan.
Hoeng, hoeng sahadat maoeng, leuh, leuh maong poendoeng datang deroem, gadjah meta datang depa, oraj laki datang noempi, boerak galik malik asih, malik asih djongdjon sono nolos lastari, sih asih ka awaking.


Singlar

1. Singlar kana djoerig.
Sahadat kamalahoe, tjangtjang kembang galak kamalaha, jahoe, jahoe, jahoe, istan palias, istan palias, istan palias.

2. Singlar kana hama.
(Matja heula bismillah toedjoeh kali, dipapatkeunana koedoe bari mepet napas).

Papag soengsang soeda poelang, poelang ka oeroet sia datang, bisi aja hama beureum ti Wétan, poelang (keun) deui ka Wétan.

Papag soengsang soeda poelang, poelang ka oeroet sia datang, bisi aja hama datang ti loehoer ti handap ti angin ti hoedjan ti tjai ti geusan mandi ti djalan ti pasampangan oelah djail djailloelah djail ka pakaja oemat Allah, ari deuk wani koedoe koe Allah.

3. Singlar kana koenti.
Pipinding angkat pandeuri, soesoewaj angkat ti heula, toetoenggangan gadjah doengki, oelah woeroek soedi gawé, aing njaho ratoe sia boengboeloeng boeah bongbolong.

4. Singlar moesoeh.
Tjoeroeloeng tjai ti manggoeng, barabat ti awang-awang, tjai tiis tanpa bisi, moen [ 125 ]deuk nyatru ka si itu, mun deuk hala ka si éta, anaking palias teuing.

5. Singlar lamun rék saré
Dug sira gumulung nyanghulu ka sagara Kidul, nunjang ka balangbangan, nyangigir ka lingga manik, nangkarak ngalingga tara, nangkuban turut bayuan, ulah katindih ku jangji, ulah katinggang subaya, istan palis, istan palias.

Cangreud mulang tali padang, sira tumengga pancabaya, rencep hidep balik deui, mangka balik ka ragana, cai mulang numbuk catang istan palias, istan palias, istan palias.

(Aya sambunganana.)


Almenak Tahun 1853.


KARÉSIDÉNAN BANTEN

Afdeeling Banten Kalér

Resident : G. A. E. Wiggers.
Regent: Radhén Tumenggung Ario Condro Negoro 16 Séptémber 1849.
Patih: M. Ng. Prawira Negara.
Hoofd-jaksa: M. Ng. Cakranagara.
Panghulu: Haji Asngad.


Afdeeling Pandéglang

Adsistent resident : A. J. van Dijck.
Regent: Radhén Tumenggung Aria Nata dhi ningrat.
Patih : M. Ngabehi Prawira Kusumah.
Jaksa : M. Astra Wacana.
Panghulu: Haji Safiudin.


Afdeeling Caringin

Adsistent resident: A. A. de Nijs.
Regent : Radhén Tumenggung Aria Suria Nagara 26 Januari 1850.
Patih : M. Aria Jaya Manggala.
Jaksa : Masa Said.
Panghulu : Mas Mad.


Afdeeling Lebak

Adsistent resident : V. A. L. P. Bekking.
Regent: R. Ad. Karta Nata Nagara.
Patih: Mas Aria Prawira Nata.
Jaksa: Radhén Astro Kusumo.
Panghulu : Mas Nasieb.


KARÉSIDÉNAN BATAWI

Afdeeling Bogor

Adsistent resident: A. M. bousgguet.
Regent: Rd. Ad. Suria Winata (Regent Bogor nu panutup).
Hoofd-jaksa: Rd. Ar. Sura Wireja.
Hoofd-panghulu: R. Haji Muh. Natsier.


Karésidénan Krawang

Adsistent resident: W. F. Schenck.
Regent: Rd. Tm. Sastra Nagara.
Hoofd-panghulu: Rd. Moh. Husein 13 Désémber 1843


Karésidénan Priangan

Afdeelingna aya 8 nya éta : Bandung Kalér, Bandung Kidul, Cianjur, Sukabumi, Blubur, Galunggung, Limbangan jeung Sukapura.

Kabupaténna 5 nya éta : (1) Bandung (17 distrik): [1] Nagri, [2] Ujung Berung Kulon, [3] Ujung Berung Wétan, [4] Majalaya, [5] Cipeundeuh, [6] Banjaran, [7] Kopo, [8] Cisondari, [9] Rongga, [10] Cilokotot, [11] Rajamandala, [12] Cihéa, [13] Gandasoli, [14] Timbanganten, [15] Cikembulan, [16] Cicaléngka, [17] Blubur-Limbangan.


Kabupatén Bandung

Adsistent resident (tempat Resident di Cianjur kénéh) : A. G. C. Visser van Gaasbeek.
Regent: Rd. Tumenggung Suria Karta Adhi ningrat (gents jenengan: Rd. Ad. Wira Nata Kusumah), 27 Juli 1846.
Hoofd-jaksa: Rd. Suria dhi Praja 26 Méi 1852.
Hoofd-panghulu: Rd. Muh. Jaélani.


Kabupatén Cianjur
(Dayeuh Karésidénan)

Resident: C. P. C. Steinmetz
Regent: Rd. Ad. Ar. Kasuma Ningrat.
Hoofd-jaksa: Rd. Dem. Pura Nagara.

Hoofd-panghulu: Rd. Haji Abdulhalim. [ 126 ]

Kabupatén Sumedang

Distrikna aya 11, nya éta: Sumedang, Tanjungsari, Cibeureum, Conggéang, Darmawangi, Darmaraja, Malangbong, Ciawi, Indihiang, Tasikmalaya, Singaparna.

Apdeling Sumedang-Sukapura

Adsistent-resident : A. van der Ven.
Regent Sumedang :Rd. Ad. Suria Kusuma Adhi Nata 20 Okt 1834.
Regent Sukapura: Rd. Tm. Wira Tanu Baya.
Hoofd-jaksa  Sumedang : Rd. Angga Truna. Hoofd-jaksa Sukapura: Rd. Dita Kusumah.
Hoofd-panghulu Sumedang: Rd. Kiai Muhamad Taif. Hoofd-panghulu Sukapura: Rd. H. Muhamad.

Kabupatén Limbangan

Regent : Rd. Tm. Wira Tanu Datar (gentos jenengan Rd. Ad. Suria Nata Kusumah), 10 Sép. 1833.
Hoofd-jaksa : Rd. Rg. Suria dhi ningrat.
Hoofd-panghulu: Rd. Muhamad Yahya.

Karésidénan Cirebon

Resident : T. Ament.
Regent : Kiai Adipati Aria Sura Adhi Ningrat.
Hoofd-jaksa : Rd. Dem. Niti Negara.
Hoofd-panghulu: M Imam Abdul Kahar.

Apdeling Indramayu

Adsistent-resident: S. L. P. D. Niepee.
Rangga: Rd. Tm. Mangku Dirja.
Jaksa: Mas Karta dhi Sastra.

Apdeling Galuh

Adsistent resident: J. T. W. A. Lange.
Regent: Rd. Ad. Ar. Kusuma dhi Ningrat, 9 Maret 1839.
Jaksa: Rd. Arga Kusumah.
Panghulu: Abdulah Ibrahim.

Apdeling Majalengka

Regent: Rd. Ad. Ar. Karta dhi ingrat
Jaksa: Rd. Sura Amijaya.
Panghulu: Mas Imam Hasan basari.

Apdeling Kuningan

Regent: Rd. Ad. Ar. Suria dhi Reja.
Jaksa: Mas Demang Purba Dhurgani.
Panghulu : Akramudin.


Wawacan Siliwangi.

(sambungan Pusaka Sunda No. 7)

197. Kangjeng Prebu ngadangu sembah utusan,
ngaraos teteg galih,
teu aya salempang,
putra raos kapendak,
geus kitu Ratu ngalahir,
ka Praméswara,
Enok meujeuh nya prihatin,
198. Dago baé si ujang mo burung datang,
nanging awal jeung ahir,
urang kudu sabar,
pasrahkeun ka Pangéran,
poma nyai ulah nangis,
mangka tawekal,
sadrah ka Sang Utipati.
199. Lampung Jambul-Kidang Pananjung pamitan,
Gelap nyawang teu kari,
tilu panakawan,
rék mapay Raja putra,
mo mulang mun can kapanggih,
rék ditéangan,
disaksrak di unggal nagri.
200. Dawuh Raja sukur Uwa geura leumpang,
poma mangka kapanggih,
jalma tilu nyembah,
sujud terus marangkat.
Sang Prebu ngalahir deui,
miwarang emban,
nyaur dén rangga patih.
201. Sareng putar sang raja Asmunalarang,
duaan sing kairing,
henteu lila dongkap,
patih jeung raja putra,
ari timbalan Sang Aji,
ayeuna poma,
si ujang masing kapanggih.
[ 127 ]
202. Mun teu timu tangtu awak katempuhan,
ulah rék ngeunah ati,
leungitna si ujang,
tangtu aya lantaran,
awak anu kudu telik,
hadé goréngna,
réh nu ngaheuyeuk nagari.
203. Ki Asmunalarang reujeung patih pisan,
mun ujang tacan kapanggih,
ulah wara mulang,
gunung jeung leuweung saksrak,
lebak jungkrang gawir,
los geura miang,
kucem raray Radén Patih.
204. Raos-raos katereka culikana,
duaan nyembah teu lami,
angkat ka paséban,
nata para ponggawa,
bupati mantri dipilih,
nu rék dicandak,
ngilari putra nu leungit.
205. Sanggeus tutug diatur sapuratina,
kabéh pada arindit,
ti nagara budal,
riab pasulibrengan,
sigeg anu nungtik lari,
ayeuna kocap,
pandita Sindangkasih.
206. Kiai Gedéng Sindangkasih enggeus sepah,
kuna bagawan wacis,
muruk ilmu buda,
yuswana enggeus ratusan,
hampir dua artus leuwih,
yuswa pandita,
ananging masih ringsig.
207. Putra hiji pameget éstu digjaya,
dén Wirata kakasih,
ayeuna keur tapa,
di gunung Ujung Kulon,
geus sepuh putraan deui,
istri sembada,
dén putri Ambetkasih.
208. Gandes pantes luhur élmu kaistrian,
geulisna leuwih-leuwih,
mila kacarita,
sakuliah pulo Jawa,
geulisna taya nu nanding,
salira omyang,
lir emas uré sinangling.
209. Éstu putri putrana raja pandita,
salira lenjang manis,
rambut andan-andan,
lambé manggis larengan,
jariji mucuking eurih,
cureuleuk soca,
damis kadu sapasi.
210. Sugri jalma anu parantos uninga,
istri pameget asih,
geus puguh sepuhna,
nénéh salamina,
lebah harita nyi putri,
kakara yuswa,
kalima welas leuwih.
211. Geus tingali aksara buda jeung Sunda,
pinter parigel nulis,
mamaos wawacan,
sugri carita paham,
mun mamaos ngahaliring,
manis gentrana,
nu nguping sungkan balik.
212. Waktu éta bumina putri geus misah,
ku rama geus dipaparin,
gedong kalangenan,
anggang ti bumi rama,
jauhna saepal leuwih,
babakan anyar,
katelah Karang Wangi.
213. Tina réa rupa-rupa kekembangan,
pinuh ku anu seungit,
dén putri geus lawas,
bumén-bumén di taman,
dua welas jompong ngiring,
ka kasih dua,
pun Gandes nu kahiji,
[ 128 ]
214. Wasta Centil jompong kadeuheus kadua,
baladeur beuki seuri,
warna léléwana,
ngabeberah dunungan,
sésébréd tarucing sindir,
jeung paparikan,
ngomong teu tinggal ti sandi.
215. Karang Wangi mutuh matak betah manah,
ngagalalontor cai,
émpang patamanan,
turut sisi dibalay,
ngagenyas cai beresih,
turut sisina,
petétan panarik resik.
216. Saban peuting dina nuju caang bulan,
réa istri sarumping,
ngaradon ngabungbang,
hariring pupujan,
blang nararepi ka énjing,
nu tararembang,
kinanti melas melis.

PUPUH KINANTI

217. Ting sarenat ting sarenut,
hariring soara istri,
nembangna tampan-tinampan,
ungkara galuh dianggit,
wawacan pusaka kuna,
carita déwi Artatit.
218. Ambetkasih ngilo laun,
réncang ngiring ngahaliring,
mamaos ngaradu gentra,
tatangga mungpung sarumping,
miarsa tutur carita,
paselang suluk jeung silib.
219. Réa sasakala timbul,
pusaka ti nini aki,
kaguar milu kabuka,
katungtik katarik sindir,
Ambetkasih nu nyurahan,
sepuh anom suka galih.
220. Antara sahiji waktu,
nuju dina hiji wengi,
ti soréna raraméan,
jam tilu nembé ngarampih,
Ratna Déwi kulem tibra,
teu lami bet tuluy ngimpi.

Aya sambunganana.