Poesaka Soenda 1923-10-2(04)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1923-10-2(04)  (1923) 
by Pagoejoeban Java Instituut
[ 49 ]
No. 4
Tahoen ka 2
October 1923

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT,
J. KATS, M. SOERIADIRADJA.

TOEDJOEL SERAT : - SALEMBA 84. – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 10

1. Pihatoer Redaksi katja 49
2. Bab Wajang " 50
3. Saha atawa naon ari Semar? " 58
4. Gondang " 64


Pihatoer Redaksi.

Redaksi oendjoek noehoen ka para Djoeragan anoe parantos ngintoenkeun, artos langganan pikeun taoen ka doea, sareung wangsoe1na ka sadajana anoe henteu atjan ngahajoean Poesaka Soenda disoehoenkeun anoe sanget pisan soepados ènggal-ènggal ngintoen artos langganan anoe seueurna moeng f 3 (tiloe roepia) sataoe­neun.

Sakoemaha anoe parantos kapioentjoek kapoengkoer, jèn soegri anoe henteu ma­parin artos dina lebet sasih ieu Oktober, baris ditjorèt tina boekoena, sareng ladjeng dikintoen panagihan koe postkwi­tantie.

Oepami postkwitantie moelang lèngoh, hartosna teu kersa majar, tjidra tina soe­baja, engkè djenenganana anoe kagoengan sambetan tea baris diserat dina Poesaka ­Soenda.

Koe margi èta soepados djadi kaloeloe­san disoehoenkeun ènggal-ènggal ngintoenkeun èta artos langganan.

Moegi digalih koe sadaja, jèn oeparni Poesaka-Soenda henteu dibajoean tèh, hen­teu dibajar artos langganan keur piwara­gadeunana, sami sareng dipaèhan.

Atoeh tangtos bakal tepi ka adjalna, ari dihadja mah dihagal-hagal dipegat pidjalaneunana, Mangga manah, naha poestaka[ 50 ]Kaca:Poesaka Soenda 1923-10-2(04).pdf/2 [ 51 ]Kâçcaryan ta manah sang prabhu rumèngö Çabda ning manuk. Tumama ta sire dalèm âcrama, mahyun wruhe sang tapa sira. Kunang wadwa nira kabeh kinon anghera ring kadohan, sugyan durbalâng patapan denya. Sadatèng nire jèro âçrama, tan hana sra mpu tâpasa, asèpi tang açrama Malunguh ta sireng panti. Tuminghal ta sireng bhûmyâgâra. Anon ta sira strî paripûrneng hayu. Kadi Wîdyâhari manurun aswâgata, maweh pâdyârghâcamanîya ri haji, sumambrame tamuy apan swabhâwa ning tapatapî, sarjawâ ring atithi. Mojar ta prabhu:

„Ndak atakwan ta ri kita sang tâpinî, syapa ngran ira mpu sang tamolah ikeug patapan ngke, mwang ndi paran ira matang yan asèpîkang âçrama?”

Sumahur sang tâpikanyâ: „Sâjnâ haji, hantuka parameçwara atane ratâpî sang ahulun, ksantabijâkna, sira bhagawân Kanwa ngaran ira mpu sang tamolah ikeug patapan, ndan mijil sira ngûni amet samidhâbhiprâya nira. Yaya tèka nirenz samuhûrta. Angantya ta pâduka çri mahârâjâ!”

An-mangkana ling sang kanyâ, mogha ta mahârâjâ katèkân râga, kadi hiniris ta nâla ni hati nira, rumaras kèna kâmaçra tumon i rûpa sang tâpi. Muwah ta sira mojar:

„Ksamâkna nghulun iba sang ahaiju! mengrèngô nghlun i bhagawan Kanwa, brahmacârî rakwa sira tan kĕnang strî. Ijapwan kita tamolah ri sira, aparan tânggĕhta de nira, tasijasih tâwarah duga-duga kami denta!”

Mangkana ling sang prabhu, Sumahur sang tâpi sira:

„Sâjnâ haji, bapa sira de ni nghulun, mârga nirân pinakabapa nihan:

Hèmeng manah Sang Praboe ngaroengoe sora manoek tèh. Andjeuna loemebet ka patapaan, hojong oeninga panditana. Pangiringna didawoehan ngantosan di noe anggang, bisa ngagimbreung-gimbreung nèwohan ka noe tatapa. Sasoempingana ka djero patapaan, pandita henteu aja, patapaan sepi, andjeunna tjalik ngantosan. Ninggali ka djero boemi patapan. Bèh katinggali hidji istri geulis kawanti-wanti, lir widadari toeroen ti sawarga, anoe ngabagèakeun ka radja, bari njanggakeun tjai keur ngoembah sampèan djeung keur kekemes toeloej tamoe disoegoehan, da kitoe kabiasaan noe tapa ka tamoe. Ngadawoeh sang praboe:

„Bade tumaros Njai noe tapa, saha djenengan anoe linggih tatapa di dieu, djeung angkat ka mana andjeunna noe mawi ieu patapaan sepi?”

Saoer istri patapan: „Soemoehoen dawoeh Goesti, moegi aja hapoenten, gamparan mariksa ka abdi, doepi djenenganana anoe kagoengan ieu patapan Bhagawan Kanwa. Bieu bidjil rèk ngala soeloeh pikeu miroenan popoedjan, sakedap deui ogè soemping. Mangga antosan baè, Padoeka Sri Maharadja!”

Barang èta istri pok sasaoeran kitoe, ddjorodjol Sang Praboe bogoh, tatoe kalboena soemèrèdèt keuna koe panah tjinta, ninggali roepi istri patapan sakitoe geulisna. Pok anjeunna ngadawoeh deui:

„Moegi teu djadi bendoe noe geulis Koela geus mireng Bagawan Kanwa, jèn andjeunna tèh brahma Câri teu meunang garwaan. Ari kapernah koemaha? Sabalakana baè tjarioskeun ka kaoela!”

Kitoe dawoehan Sang praboe. Saoer istri patapan:

Soemoehoen dawoeh goesti, andjeunna tèh bapa abdi, ari margina noe mawi djadi bapa abdi: [ 52 ]„Hana sira brâhmana tamuy. Sira ta takwananeng janmotpatti ti nghulun!”

Tinakwanan ta sang brâhmanatamuy de mahârâja Duçwanta. Mawarah ta sira mpu:

„Hana sira ratu, mahârâja Wiçwâmotra ngaran ira. Sirâmâryâken kaprabhun ira kapengin kamahâtmyân bhagawân Wasistha. Magawe ta sira, tan pamangan tan panginrawwe, çumakti carîra nira sira. Malawas pwa sirâgawe tapa, sandeha ta buddhi hyang indra mewedi kadoha ri kendran ira. Hana ta Widyâdharî sang Menakâ ngaran ira, pinakaratna ning Apsari. Ya ta inujaran sira de hyang ndra”

„Tâsyasih tânaku sang menakâ! Nâban sang wiku magawe tapa, sang wiçwâmitra ngaranya. Ya ta wighnani denta, makaphala wurunga ning tapanya!

Sumahur ikang Widyâdharî : „Sâjnâ hyang mami, menget pinakanghulun ingkamahâtmyân ira. Sang manghanâken tapa. Göng krodha sarikâ, takwan huwus sidhi mantra. Wenang gumesengana tribhuwana. Awedi ta nghulun katekâna çâpa de nira. Kunang yan hana mârga ni nghulun kawruhana yan pagawe wighna ni tapa nira, ya ta pajara hyang mami. Rapwan tulusâhayu lampah ni nghulun!”

Mojar bhatâra Indra, ing nira: „hayara kita sangçaya sang Menakâ! Sang hyang Bâyu sahâyanta, mèlèki gandha ni wastranta ri kâlangtânglila ri harep sang Wiçwâmitra, Sang hayang Kama tumihangakna hru nira, amanahna ri twas sang tapa. Nihan ta sarâga mahyune kita. Yaya tawighnâna tapana denta”

Mangkana ling sang hyang Indra. Lumampah ta sang Menaka.

Ieu didieu aja brahmana tamoe. Geura pasiksakeun baè ka èta brahana lalakon abdi dilahirkeun!”

Diapriksa Sang brahmana tamoe koe Maharadja. Pok Manèhna njarita kieu:

“Aja hidji Ratoe’ Maharadja Wicwamitra djenenganana. Andjeunna ngantoen kaprabon, hojong pinoendjoel tjara Bhagawan Wasistha koe beunang tatapa. ladjeng tatapa di beulah wètan teu tebih ti dieu. Andjeunna di dinja nirahara teu toeang teu leueut nepi ka salirana tinekanan loehoeng pinoendjoel. Lami ti lami tatapanan nepi ka Batara Indra miris, inggis Kaindraan (Kadèwataan) kalindih koe noe tapa. Aja widadari Sang Manaka djenenganana, moestika para widadari. Didawoehan koe Hijang Indra:

„Mangka mikawelas, hè poetra ingsoen Sang Manaka! Aja wikoe anoe keur tatapa. sanga wicwamitra djenenganana. Tjing goda koe manèh, sing nepi ka batal tatapana!”

Saoer Sang Widadari: „Soemoehoen timbalan, sembaheun abdi gamparan lintang waspaos kana kadigdjajanana èta anoe keur tapa. Oepami bendoe, koe kasaktianana iasa ngagesengkeun triboeana Abdi risi keuna koe panjapana. Oepami aja pitarèkaheunana sangkan abdi tiasa ngabatalkeun tatapana mangga dawoehkeun, soepaja loeloes bangloes enggoning abdi ngalampahkeunana!”

Ngadawoeh Batara Indra: „Poma oèlah tjangtjaja Sang Manaka! Sang Hijang Bajoe anoe bakal njarengan, djeung gandana panganggo andika dina mangsana anoe bakal ngahoedang Sang Wicwamitra kana birahi. Sang Hijang kama noebakal mentangkeun panah tjinta ngadjedjo manahna èta noe tapa. Koe langtaran èta tangtoe andjeunna kabongroj koe andika, nepi ka batal tapana.

Kitoe dawoehan Sang Hijang Indra Djoeng Sang Manaka angkat. [ 53 ]
[ 54 ]
[ 55 ]
[ 56 ]
[ 57 ]Kaca:Poesaka Soenda 1923-10-2(04).pdf/9 [ 58 ]Kaca:Poesaka Soenda 1923-10-2(04).pdf/10 [ 59 ]Kaca:Poesaka Soenda 1923-10-2(04).pdf/11 [ 60 ]
[ 61 ]nyamoer. Tah kitoe an dawoehan Kangdjeng Dalem Tjiamis pangsioen mah.

- - - - - - - - - -

Dina wawatjan Palasara anoe parantos nerekab di dieu di Soenda, aja deui toetoeran Semar teh, sarta teuu mantra mantra kana tjarios anoe Parantos parantos, geura kieu ari di dinja mah tjariosanana:

Batara Goeroe anoe djadi Ratoe di Soeralaja mentas kenging tjotjoba manah, njaèta lantaran Kahiangan rek dirandjah boeta. Nanging koe Pitoeloengna Batara Wisnoe, èta radja boeta sabaladna anoe reana saratoes djeung lima danawa tèa, teu bisa laksana karepna kapegat di djalan, sarta bala boeta anoe saratoes tjarem koe boeta lima, tataloekan asal radjana tèa. Boeta anoe saratoes ana nitis diahir ka Korawa poetra Astina djadi saratoes deui, ari radja boeta anoe Lima di patapan Pan­dita Omanangsa dirampidkeun nja ana djleg djadi keris Pantjaroba. Sarengsena Batara Wisnoe ngajonan danawa, Sawarga loka kaloear tina Pantjabaja, para dewa batara pada soekan-soekan ngebrehkeun kagerah manah.

Harita Batara Goeroe kabendon koe Kang Moerbengdjagat, reh keuna koe panggoda manah katibanan panggalih diri kagoengan sangka jèn moal aja anoe ngoengkoelan ngaleuleuwihan ka andjeunna.

Koe Batara Goeroe kadangoe aja soara tan katingal, anoe oengelna yen èta parnendak manahna sasar, taja petana ninggang dienjana, sabab koe papada dewa deui oge anoe aja di Sawarga-1oka keneh, ngan teu kaoeninga koe andjeunna, nja èta koe noe ngagem djimat Kalimoersada (Lajang Kalih Oesada) kamoeljaanana kaagoenganana teh tejana geus kaoengkoelan.

Batara Goeroe melengek liwoeng panggalih, mana horeng soelaja tina sangka njana, djorodjoj manah panggoda, mika­jong djimat Lajang Kalimoersada anoe jadi ageman rakana anoe djenengan Dewa batara Rantjasan, asal djimat titilar ramana ti sang Hijang Wenang, Batara Goeroe medal manah sarakah ngakal-ngakal warisan raka. Batara Goeroe ladjeng miwarang poetrana, Batara Basoeki, doemeuheus ka Batara Rantjasan nimbalan ngaririhan djimat Lajang Kalimoersada tèa, tina oetamana èta mah djimat teh kedah aja di noe djadi Adji, lain di sambarang dewa.

Batara Basoeki soemping doemeuheus ka rama oea, sarta pok oendjoek satimbalan Batara Goeroe, moendoet Lajang Kalimoersada tèa.

Batara Rantjasan, toegenah manah tina ngaraos diteungteuinganan rakana nepi ka tega ngarangsadan, saderek, djimat ngan hidji-hidjina poesaka warisan ti rama, make dipoendoet, toer ta Batara Goeroe mah djadi Ratoe Pinoendjoel radja di Sawarga loka, ngabawah para dewa batara, woeri-woeni karooh koe poesaka noe teu sabaraha.

Batara Rantjasan henteu sasaoeran deui ngan kodjengkang baè angkat, medal sila ti sawarga, lolos ngantoen kadewatan, poetra anoe keur ngadeuheus teu ditolih-tolih deui.

Barang Batara Goeroe ngadangoe yen Batarara Rantjasan henteu toemoet kana sapa­moendoetna, baha kana kapalaj radja, teu kira-kira bendoena, ladjeng njaoer saderekna anoe doea, nja èta Sang Hijang Moenget sarong Sang Hijang Toenggal, anoe parantos kaerong koe andjeunna baris kersa sarta pikadada kadoegaeun maksa Batara Ran­tjasan, anoe bahoela honteu koemawoela ka radja.

Sang Hijang Moengoet sareng Sang Hiang Toenggal ngemban timbalan raina loemoengsoer ka Martjapada ngoengsi lari saderekna noe lolos ti Soeralaja. Lami-lami tina diha­ben disoesoel-soesoel, Batara Rantjasan ka­pendak, keur leuleuweungan ngalalana di boeana.

Barang gok paamprok silih rangkoel djeung sadorek tina sono djeung teu njana patepang di Pan tjatengah. Batara Rantjasan ngadadar kasedih galih, teu raos koe Batara Goeroe saoerna:

„Geura ku adi-adi galih, kakang anoe ngan diwaris djimat teu doea teu tiloe koe kandjeng.Rama, hajoh make diririhan dikoerihit, dipoendoet, tetela Adi Goeroe karooh lantaran hawek, da kapan andjeun na mah geus djadi radja moelja teu aja kakoerang. Benerna mah keun doeloer oge sina ngarasa bagdja miboga poesaka sepoeh, oelah hawek ngan hajang sorangan baè.”

Sang Hijang Toenggal api-api ngiring sedih, pok sasaoeran: „Poegoeh oge kakang, oerang [ 62 ]mah boga saderek teh teu aja pisan rasrasan, peungpeung teugeuh harianeun, abong ka dewa taja pangawasana. Doepi èta djimat anoe dipoendoet teh, djimat naon tèa, rai mah kawaranan tina teu atjan terang.”

Koesiwel Sang Hijang Rantjasan njandak djimat tina sanggoel ditembeongkeun ka raina bari sasaoeran: „Tah nja ieu, anoe diseboet Lajang Kalimoersada tèa.”

Barang ret djimat katingal, teu antaparah deui ngan gabroeg baè Sang Hijang Toenggal ngarontok ngareboet Lajang Kalimoersada, tapi koe Sang Rantjasan dipa­geuhan toengtoengna ger baè galoengan pare­boet djimat, sarta Batara.Rantjasan diredjeng koe doeaan, Sang Hijang Moenget ti katoe­hoe, Sang Hijang toenggal ti kéntja. Tina rongkah pada rongkah, anoe ngadontja so­roea bedasna, karawak baè salira Batara Rantjasan beulah, blak Toenggal djeung Moenget nangkarak-bengkang, ngeukeuweuk panangan Sang Rantjasan anoe geus babar pada sapisan. Toenggal Moenget ngaharoe­leng ningal raka geus lastari, tinggal banoe­sanana geus roeksak, djol handjakal ningal kana baloekarna, toengtoengna segroek narangis, paoengkoe-oengkoe doeaan.

Sabot keur kitoe, ngong soara tan kati­ngal, oengelna: „He Moengot djeung Toenggal! andika martabat boedjang, beunang koe panitah noe lian, ajeuna keuna soepata, andika bakal djadi panakawan, henteu meudjeuhna andika aja di kadé­watan.

Sang Hijang Moenget djeung SangHijang Toenggal sadjongdjongan mah olohok baè, ti dinja pok Sang Hijang Moenget sasaoeran, ngadjak moelih ka Soeralaja njanggakeun djimat tèa, pedah geus hasil satimbalan, Lajang Kalimoersada geus aja dina pana­nganana,

Tapi Sang Hijang Toenggal teu sapoek kana pangadjak raina, saoerna: „He adi, Sang Hijang Moenget, rasa kakang bodo teu katotolojoh, lamoen èta djimat koe oerang disanggakeun ka Adi Goeroe, oerang teh njaeuran goenoeng koe taneuh, mana ari adjang oerang? kapan oerang toenggal poetra Kangdjeng Rama, pantes koedoe pada meunang waris, oelah njamos teu naon ­teu naon; ieu poesaka anoe geus aja dina leungeun oerang, nja bagian oerang, oelah dibikeun deui ka batoer. Ajeuna mah kadjeun oerang henteu djadi dewa sok moen boga ieu djimat, anoe kasiatna len­wih ti Sawarga-loka kadjeun lamoen adi henteu kersa, kadieukenn baè atijang kakang, da kapan beunang hese tjape oerang doeaan.”

Koe Sang Hijang Moenget kamanah, oepami Sang Toenggal henteu dianteur karepna, keukeuh dipaksa diadjak moelang, tangtoe koedoe taroeng deui djeung doeloer, anoe baloekarna tadi geus karasa njeri peurihna, ningal banoesan saderek, kadoe­hoeng rasa handjakal, djadi taja lian ngan koedoe soerti salah saoerang, ditoeroetkeun sapangadjakna.

Saoer Sang Hijang Moenget: „Ari rmoenggoeh lebah rai mah, nja bade toemoet kana sakersa kakang baè, moal ngo­lalangkoengan anoe djadi sepuh. Tjènah ieu djimat oelah disanggakenn deui ka Adi Goeroe, mangga teh teuing, keun baè koe rai ditjangking, pibekeleun oerang ngoembara.”

Saoer Sang Toenggal: „Soekoer ari adi roedjoek mah, kana pangadjak kakang, atoeh ka dieuh baè èta djimat oerang bawa koe kakang, da kakang doeloer pangkolotna noe koedoe loempang ti heula, moal hade djimat pandeuri djeung adi!”

Saoer Sang Hijang Moenget: „Soepajo djimat oelah pindah tangan, kadjeun oerang toekeur basa, kakang anoe kedah njeboet kakang ka adi, adi anoe njeboet adi ka kakang, toekeur basa toempang djimat, djadi loeloes sapamoendoet laksana saka­palaj tèa!”

Sang Hijang Toenggal eleh pelit kalah akal, toengtoengna leah soemangga, ti harita toekeur basa. Djoeng djalengkar babarengan doeaan toeroen goenoeng oenggah goenoeng, tapi taja kamarasan da masih salira dewa, koematjatjang di boeana.

Ti dinja Sang Toenggal ngadjak salin djisim, mindah wanda kamanoesan, ngarah soeroep kana lakoe, sabot eukeur djadi boeron, paminggatan Soeralaja.

Ladjeng neneda soedjoed kana djimat Lajang Kalimoersada, awit Sang Hijang Toenggal heula, ana djleg bet tjewaw, soengoet ngoblog ten gadoan, koeplak-kap[ 63 ]lok kawas bangkong, nja ngalandih andjeun “Sang Togog”, ngaran anoe soeroep kana tangtoeng.

Ti dinja Sang Hijang Moenget soedjoed deui kana djimat Lajang téa, ana boréng­kal woedjoed Ki Semar, kolot lain boedak lain, aki-aki koekoentjoengan, awak hi­deung beungeut konéng, nja salin djenengan téa harita.

Saparantos njalamoer djoeng doeaan maradjoe deui, tapi lantaran bisi katara koe para déwa, ladjeng papisah Semar ngoelon Togog ngétan. Méméh patoeraj soebaja heula jén doeanana koedoe pada mandakawan, Semar rék milih doenoengan anoe teuas liat koelitna kadjeun malarat masakat, ari Togog rék néangan anoe beunghar ngarah seubeuh barang dahar kadjeun koelitna teu liat sok moen bisa meunang kasenangan djadjar djeung man­tri ponggawa. Éta anoe doea sadérék saparantos laksana djaradi badéga téa, pada karagoengan deui djenengan lalandian, Togog digelar Ki Loerah Widia Mantri, ari Semar Ki Loerah Koedapawana.

Saparantos pisah ger hoedjan angin, Semar ngioehan dina poporogok sisi hoema; noenggelis di tengah alas ngarasa keueung djeung ngangres, émoet kana lalampahan salira. Tamba keueung saoeng téh ladjeng ditjipta. Ana djleg nja Si Goe­roeboeg nelahna Ki Nalagaréng atawa Tjépot. Béh deui Semar mendak loedjoe nanggeuh kana dahan, éta ogé ditjipta didjieun djelema, nja boektina Ki Oedawala téa. Éta doea tjtjiptan diangken anak koe Semar ditjandak ngagandék ka poetra poe­toe Pendawa........

Tab kitoe toetoeranana ari dina wawa­tjan mah.

........................

Tapi sanés ngan dina lalakon wajang woengkoel kapendakna ngaran Ki Semar mah, geura dina Djajabaja, sadjarah peteng anoe njarioskeun oega ogé, aja miloe kaseboet. Kieu oengelna anoe dina kitab oega téa mah ringkesna:

Poelo Djawa baheulana pisan ditjitjingan koe dedemit-dedemit, djin iblis siloeman sileman, ipri reudjeung banaspati.

Katjarioskeun Radja Eroem kaloengsoeran wahjoe Pangeran, djorodjoj aja hojong émoetan melakan Noesa Djawa koe djelema, oelah soewong djadi padoemoekan djin maraka­jangan woengkoel Nja ti Eroem ngiangkeun doea laksa djelema ka Djawa. Tapi eta anoe doea laksa téh méh toempes lantaran dika­niaja koe siloeman sileman téa, tepi ka ngan kari doea poeloeh koerén deui. Tina teu tahanna ieu anoe doea poeloeh koerén téh éng­galna warangsoel deui ka Eroem, oendjoek oeninga ka Kangdjeng Radja. Kangdjeng Radja Roem kalangkoeng ngoengoen ngadangoe kitoe baloekarna, ladjeng nimbalan pandita.

Séh Soebakir iang ka Djawa mawa deui djelema.

Séh Soebakir angkat ti Roem, loengsoer di Geresik, ladjeng ngidoel djol soemping ka Goenoeng Tidar, Di dinja Séh Soebakir moedja semedi, sidakep sinoekoe toenggal sarta satoetasna mapatkeun adjianana toembal toelak bala, geleger goegoer dibaroeng koe kilat pating baranjaj, Noesa Djawa asa gendjlong.

Kotjapkeun sadaja dedemit ipri banaspati siloeman sileman pada éar tagiwoer pasalibroengan tina ngadak-ngadak ngarasa panas lir dihoeroe koe seuneu naraka, sarta tina bakating teu tahan kabéh pada birat maboer ka laoet Kidoel henteu aja anoe kari, ngan tinggal anoe djadi gegedoegna doeaan, nja éta oerang kajangan anoe mangroepa djelema, loeloerah para siloeman ngaranna anoe hidji Togog anoe saoerang deui Ki Semar, pada kagét pada héran naha naon sababna, ngadadak oeroe-ara, saha anoe djail kaniaja, mana nandasa ka oemat Djawa. Barang diawas-awas ti poen­tjak goenoeng, katingali koe Ki Semar di Goenoeng Tidar aja anoe ngageboer, atoeh énggalna diboedjeng sarta teu lami gok te­poeng sareng Sang Pandita Séh Soebakir anoe keur menekoeng metakeun toembal.

Barang djol éta anoe doeaan, dipariksa koe Sang Pandita: “Andika djelema ti mana ? Diwalon koe Semar: “Kaoela pitoein oerang dieu, nja kaoela dangiangna eusi tanah Djawa, anoe ngasoeh para dede­mit banaspati anoe njitjingan ieu Noesa. Ari ieu anoe saoerang deui doeloer kaoela. Ari sampéan oerang mana, djeung naha mana gana-gana wani nandasa ka balad kaoela anoe ten toea teu dosa? . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . [ 64 ]
  1. Redaksi oendjoek noehoen kana pitandangna R. Haroen al Rasid, Djoeragan Wadana di kantoor Adviseur voor Inl. Zaken, réh parantos kersa ngarodjong-rodjong kana njalin perkawis ieu tina basa Walandana.