Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04)  (1924) 

[ 59 ]

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT: - SALEMBA 28 – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 4-5-6.


1. Pre-advies Rd. Poeradiredja: Adegna basa Soenda katja 60
2. Pre-advies M. Soeriadiredja: Pangadjaran basa " 81
3. Pre-advies Mangoendikaria: Dialect " 100
4. Pre-advies Rd. D. Kartapoetra: Basa noeroetkeun golongan " 106
5. Pre-advies Rd. Djajadiredja: Edjahan aksara Soenda " 121


Kongrés basa Soenda.


Para Djoeragan-djoeragan sadaja manawi parantos aroeninga, jén engké dina ping 11, 12, 13, sareng 14 Oktober 1924, pakempelan Java-Instituut badé ngadegkeun kongrés basa Soenda, tempatna di Kaboepatén Bandoeng. Maksoed noe ditoedjoe koe éta kongrés, taja sanés moeng badé ngamadjengkeun basa Soenda, roemaksa kana banda poesaka sadaja oerang Soenda, sangkan tambih pangadjina, woewoeh kadjembaranana, kaoetara kaaloesanana.

Doepi béréndélan anoe badé dipedar dina éta kongrés, kieu:

I. Awit malem Minggoe 11 Oktober taboeh 9 wengi kempelan di Kaboepatén [ 60 ](ontvangs avonds), diladjengkeun pésta.

II. Dinten Minggoena ti taboeh 8 d. k. taboeh 1.

  1. Njarioskeun adegna sarengn tjoektjroekanana basa Soenda. Anoe medarna Rd. Poeradiredja Hoofdredaktoer Balé Poestaka.
  2. Dadaranana pangadjaran basa. Baris ditjarioskeun koe M. Soeriadiradja.

III. Dinten Senén ti taboeh 8 d.k. taboeh 1.

  1. Ketjap-ketjap tina dialék mana anoe kedah dianggo pangwoewoeh kana dialék loeloegoe? Baris didadar koe Djoer. Mangoendikaria Schoolopziener Djatiwangi.
  2. Katrangan adegna basa dina sagolongan-sagolongan. Baris ditjarioskeun koe Rd. Dodoh Kartapoetra (Rad. Moeh. Moehjidin) Schoolopziener Weltevreden.
  3. Perkawis basa lemes, boh papajanana boh nganggona, sareng katrangan-katranganana noe sanés. Anoe badé njarioskeunana Rd. Kd. A. Soeriawinata Bandoeng.

IV. Dinten Salasa ti taboeh 8 d.k. taboeh 1.

  1. Djoedjoetan sareng tarékah ngamandjangkeunana mamanis basa, dangding, kawih, sindir, sareng sadjabi ti éta. Baris dipedar koe Rad. H. Soemadipraja, Djoeragan Patih Poerwakarta.
  2. Édjahan aksara Soenda sareng oenak-anikna. Anoe moekana Rd. Djajadiredja Bandoeng.
  3. Ngadegkeun pakoempoelan "Sastra winangoen".

(Perkawis karaméan-karaméan sareng tongtonanana pangeujeub-ngeujeub kongrés, baris ditjarioskeun di Bandoeng baé).

Koe margi anoe baris dipedar téh, bandana oerang Soenda, djadi kantenan pisan sadajana oerang Soenda mah kagoengan kawadjiban kana ngaloeoehan sareng roemodjong kana ieu kongrés.

Anoe ngadegkeun ieu kongrés sanget ngadjeng-ngadjeng soepados sadaja orang Soenda kersa soemping sarta ngabarem..keun koemaha pisaéeunana. Soemawonten ka para Djoeragan Schoolopziener sareng Djoeragan-djoeragan Goeroe, réh arandjeunna mah katambah koe karagoengan kawadjiban kana ngawoelang basa, sanget diantos-antos, soepados merloekeun saroemping, nja éta koe margi badé ngabarempagkeun pangadjaran basa téa.

Djoeragan-djoeragan Goeroe anoe badé ngaloeoehan ieu Kongrés, kénging moendoet permios (verlof) ka Schoolcommissie, lamina sakoemaha piperloeeunana.

Kangdjeng Toean Direktoer van Onderwijs en Eeredienst, parantos ngadawoehkeun ka Bestuur Java-Instituut, jén noemoetkeun timbangan andjeunna pigedéeun goenana oepami goeroe-goeroe saroemping kana éta Kongrés. Ieu perkawis tangtos koe Schoolcommissie ogé kamanah.

Bestuur Java-Instituut sanget ngadjeng-ngadjeng soepaja seueur goeroe-goeroe anoe saroemping. Nanging bilih djadi wagelan, oepami ti oenggal sakola langkoeng ti saoerang anoe ngantoenkeun damel, manawi langkoeng saé ti hidji sakola hidji goeroe baé anoe angkat ka Bandoeng, djadi wawakil sadaja réntjangna sasakola, anoe engké sabadana baris ngadadar pamendakna na anoe sanés, naon anoe kadangoe dina kongrés téa.

Para Djoeragan anoe badé soemping kana kongrés, oepami hojong disajagikeun tempat koelem, kedah énggal njeratan ka Hoofdbestuur Pasoendan p.a. S. Prawiraamidjaja Spaarbank weg 12 (Kadjaksan) Bandoeng.

Basa Soenda
pre advies
R. Poeradiredja.

Basa pangatjian bangsa.

Djisim koering ngaraos bingah marwata soeta, ajeuna Java-Instituut ngadamel Congres Basa Soenda, sarta diajakeunana di Bandoeng pisan, poeseurna kasoendaan. [ 61 ]Ieu congres istoening ninggang kana woekoe nitih moestari, mĕnĕr pisan kana mangsana basa oerang kĕdah dibarĕmpagkeun di paragĕman, soepaja soegri anoe harojong mĕdar pamĕndak tina hal Basa Soenda, iasa ngalaksanakeun kahojongna, njatjapkeun kapanasaranana.

Koe emoetan oepami basa oerang sĕring dipidangkeun dina pegĕmpoengan anoe pantĕs kieu, tangtos tereh tambah sawawa, tĕgĕp adĕg pangadĕgna, woewoeh-woewoeh kaloehoenganana.

Eta margina noe mawi djisim koering bingah manggoenoeng-goenoeng, gadoeh pangarĕp-ngarĕp, malak mandar koe ngadamĕl congres basa, kahajang anoe dikandoeng mangtahoen-tahoen, lami-lami tiasa tinĕkan.

Nalika djisim koering nampi sĕrat ti Bĕstir Java-Instituut, anoe ongĕlna moendoet prae-advies tina hal Adĕgna Basa Soenda sarĕng hal Nganggona Kĕtjap-kĕtjap anjar dina basa oerang, keur pedarkeuneun dina ieu Congres, koe djisim koering teu dipikir lami-lami, ladjĕng bae eta pamoendoet disanggĕman, nadjan harita parantos kaĕrong, jen eta padamĕlan teh bangga, oepami djalan mah nja roke nja rĕmbĕt; nanging tina kaemoet agĕng pĕdahna kana ngamadjĕngkeun basa, geus teu ngemoetkeun hesena, papantjen anoe diantjokeun ka djisim koering ladjĕng ditampi bae.

Hese roke diseseket, rĕmbĕt-rĕmpĕd ditaratas.

Same,meh dongkap pamojok, bade waktja ti heula sabalakana, jen ieu pamĕndak anoe baris dipĕdar dina ieu Congres teh, sanes pamĕndak anoe parantos asak kenging ngolahkeun, estoe pamĕndak atah keneh pisan... kakara karasa, olahkeuneun anoe djalĕmbar panalar, saroengsoemeun anoe laloehoer panĕmoena anoe sami soemping kana ieu Congres.

Papantjen anoe dipadjoe koe djisim koering ajeuna, moeng sakadar ngawaratah, anggeuskeuneun noe aranom noe baris ngaroelik Basa Soenda sarĕng Poesaka-Elmoe kasoendaan, adĕgan titinggal karoehoen loeloehoer oerang sarerea, keur agĕman Menak Parahiang pĕpĕntjaran Padjadjaran toeroenan Galoeh Pakoean, anoe toeg dongkap ka kiwari natrat taja kĕndatna.

Moegi-moegi bibit-boeit Siliwangi sami aremoet!

I. ADEGNA BASA SOENDA.

Tjitjiren Adĕgna Basa Soenda aja dina sakoedjoer basa, nanging babakoena pisan aja dina tiloe tĕmpat, nja eta:

a. wanda kĕtjap;
b. rakitan omongan; sarĕng
c. lĕntong

Samemeh prak moeka tjarios hal "Adĕgna Basa Soenda" sarĕng hal "Nganggona Kĕtjap Anjar", djisim koering bade ngawintjikan ratjikanana heula, pambrihna sangkan anoe baris didadarkeun mangke di pajoen tiasa woewoeh tĕrang.

Naon ari basa teh?
Koemaha asal-moeasalna aja basa?
Naon goenana?
Koemaha ngagĕdeanana?

... sarĕng salian ti eta seueur deui pĕrkawis anoe pĕrloe dioelik, pĕdarkeuneun dina pagĕmpoengan ngoeroeskeun basa.

Naon basa teh?

Basa teh "boeboeatan" "beubeunangan" atanapi "widji" anoe bidjil tina pakoemboehan, tĕgĕsna "lahir" tina hiroep patjampoeran. hiroep koemboeh salĕmboer atanapi sanagara, atanapi tina patjorok itoe sarĕng ieu paala kapĕrloean.

Djadi bongkotna basa teh aja dina pakoemboehan; bidjil ngĕdalkeun kahajang atanapi kanjaho.

Saha-saha anoe ngoetjapkeun kĕtjap, eta ngabagikeun kanjaho ka batoer koe tjarita, sangkan batoer tĕrangeun kana kanjaho oerang. Atanapi nembongkeun kahajang, pambrihna soepaja batoer noeloengan mere kahajang oerang.

Koe hal eta pĕrloe pisan basa teh koedoe pikahartoseun koe noe dibantoen tjarios. Beuki gampil kahartosna beuki agĕng goenana kana hiroep koemboeh, da poegoeh tadi oge pang aja basa teh, nja ngarah karĕp oerang kanjahoan koe noe lian, anoe dipentaan toeloeng tea. Djadi oepami basa gampil kahartosna koe noe dibantoen tjarios, eta basa parantos njoemponan kana kapĕrloeanana dina bab economie. [ 62 ]Menggah tjek pakoemboehan mah, eta basa teh parantos anggeus.

Nanging nimbang kaajaan basa teh teu tjekap koe kitoe bae, teu tjekap koe ningali goenana keur kana economie bae. Margi basa teh aja deui kahananana anoe sanes, nja eta djadi kalangkang ati, ngarekakeun paningal ati anoe goemawang dina tjipta. Kahanan anoe ieu oge perloe koe oerang diadji, kedah dipariksa, teu kenging disapirakeun.

Djadi ningalian kaajaan basa teh, kedah mariksa sipatna doeanana, nja eta:

  1. kahanan pamawa economie;
  2. kahanan pamawa hiroepna ati.

Djadi basa teh kasinoengan sipat loro-loroning ngatoenggal, golongna sipat pamawa economie sareng sipatna panggelar boedi.

Basa njatetan sagala pangaboga manoesa, noe medal tina akal, tina napsoe, tina ati .... sareng salian ti eta, sadaja aja tjatetanana dina basa. Pendekna basa teh paririmbon poesaka-elmoe. Gelar dina pakoemboehan; toedjoena sareng robah-robahna kawengkoe koe pakoemboehan; eusina poesaka-elmoe anoe digelarkeun koe manoesa,

Djadi kanjaho bab basa eta kanjaho bab poesaka-elmoe.

Basa . . . .

Basa teh hikmat pikeun njarios, ngabedjakeun kanjaho sareng kahajang oerang ka batoer.

Dina kala mangsa manoesa manggih karérépét, hajang ngabedjaan ka batoer, sangkan njahoeun noe djadi karérépét oerang, ngarah ditoeloengan; nja goeroedag harita basa teh gélar ka martjapada; beuki lami beuki ageung, madjoe windoe tambah sawawa koematjatjang di galanggang medan perang, perangna manoesa nempoeh haroengan noe megatan ngahalang-halang lampah manoesa noe keur ngalalakon ngala noe dipikaboetoeh djangeun hiroep, da boga angkeuh hajang ngawisesa diajaning koedrat, milih noe kaoentoep.

Djadi basa teh lir oepami parabot noe tan parenggenek, sarta gadoeh. kahanan tjara parabot noe djirim, nja eta beuki lami beuki sampoerna kaajaanana; nja kitoe deui oerang anoe makena, beuki sering make beuki tjapetang, tambah dibiasakeun tambah tatag djeung pertjeka.

Meureun loba anoe kagoengan panginten, jen djisim koering gadoeh timbangan: „patjorokna manoesa di pakoemboehan, eta noe ngajoega basa”, doemeh tadi djisim koering njebatkeun, jen basa teh gelarna di pakoemboehan. Eta sanes noedoehkeun: jen pakoemboehan anoe ngajoega basa, margi widjining basa parantos aja ti heula samakta dina datna manoesa, ngan ngantos-ngantos lantaran anoe djadi panggoegah bae. Dimana lantaran datang, noedoehkeun geus nepi ka mangsana medal, nja goeroedag bae teu sakara-kara, hiroep koe iboen gede koe poe, beuki lami beuki sawawa.

Nadjan basa bidjilna koe karerepet noe karandapan koe manoesa dina keur ngalalakon dina hiroepna di alam doenja, tegesna koe roepi-roepi lantaran pamawa economie, nanging hoeripna koe hiroepna sorangan, njatjas koemalenggang di salebeteun aling-aling badan kasar, lir ali-ali ampal ngalangkang dina panangan Bangbang Ekalaja atanapi Praboe Palgoena.

Kadjabi parabot paranti bebedja, basa teh aja deui kaanggona, nja eta Lisanna harti sareng lisanna raos.

Djadi damelna sanes ngan keur ngabedjakeun kahajang bae, nanging dina lebah dieu djadi sora pangreka harti sareng pamedar rasa warna sewoe.

Koe hal eta „aloesna” basa teh henteu tjekap koe doemeh leres pakarepanana sereng salantjar rakitanana bae, pedah parantos terang nja kahajang. Nanging dina lebah . dieu mah ketjap anoe direka ngarekakeun oesiking ati, ngagambarkeun hoeriping soekma, sareng ngawajangkeun hiroepna pakoemboehan; sarta anoe gadoeheun sipat kitoe teh sanes basa anoe kenging ngokolakeun bae, basaning kasoesastran, nanging basa oerang rea oge nja kedah kitoe; margi basa kasoesastran teh ngabantoenna bahan kokolakeuneun, nja tina basa oerang-rea tea. Basa kasoesastran boga djero, basa oerang rea boga hoerip.

62
 
[ 63 ]Oedagan anoe ditoedjoe koe basa kasoe sastran benten sareng oedagan basa sadi dinten anoe dipake koe oerang rea. Oedagan sadidinten mah teu aja deui ngan: kedah gampang dianggona, toer terang babari kaharti koe batoer. Ari oedagan basa dina kasoesastran mah kasampoernaan. Djadi lebah dieu aloesna basa teh sanes „gampang kahartina” nanging ketjap-ketjapna kedah kareuna, pokpokanana kedah ngareunah.

Basa teh leres oge gadoeh kékénténg kalang pangawasana noe teu kenging dimaha, nanging lebah kasoesastran ngawenangan ka ki Boedjangga, ngalajang mawa rasana pribadi, darapon. oelah nepi ka pegat bae tatalina tina oegeranana.

Sawangsoelna: sanadjan oerang diwenangan ngarakit basa sakoemaha karep oerang, nanging oegéran anoe djadi wawangénan atoeran basa, eta teu kenging dirempak, soemawonten, hal sora anoe djadi sasandi ketjap, eta teu kenging gana-gana dirobah sakarep-karep, nadjan Boedjangga loehoeng henteu kawasa.

Dina lebah dieu oerang kakoeroeng koe kalang wawangenan basa.

Katingal deui koe oerang, jen basa teh lebah dieu gadoeh sipat "loro-loring ngatoenggal", nja eta: djadi banda sarerea, koe sabab eta ngawisesa djelema saoerang, nanging bet kawisesa koe Boedjangga, Boedjangga loehoeng noe ngetjlakkeun ra kitan basa djadi soenggingan dina basa.

Tegesna kieu:

Hidji Boedjangga ngedalkeun raos koe basa, dianggit didamel dangding, njoesoe-roep lagoe kana ketjap noe ngetjlak tina lebeting ati, dipasieup koe rakitan basa noe ngembat ninggang wirahma, disoengging koe ketjap noe kareuna hariringna, koe mépjar djadi pangloengsoer sari, medal rasa ti koeroengan, braj katingal paningal batin goemawang dina tjipta: binangkitna noe ngarakit dangding di djero kalangan oegeran basa.

Oegeran basa goeloeng djadi hidji sareng kabinangkitan ki Boedjangga noe ngarakit dangding ngagelar raos djadji ka-soesasran. Menggah basa noe djadi panggelar raos, hiroepna sareng loeomenggangna, babakoena aja dina dajana ketjap anoe dianggo ngawangoen paningal ati noe goemawang dina tjipta.

Oenggal basa kitoe sipatna, basa Soenda oge henteu benten.

Ajeuna oerang njoektjroek heula asal-moeasalna Basa Soenda,

Basa Soenda kalebet kana golongan Basa Indonesia.

Noemoetkeun anoe arahli Basa Wetan, lobana basa Indonesia teh aja 200. leu ba sa anoe 200 roepa tea, koe noe palinter digoendoek-goendoek didamel djadi 9 tjantilan. Doepi Basa Soenda kalebet kana tjantilan ka 2, nja eta: Tjantilan Djawa.

Anoe kalebet ka dinja:

  • Basa Soenda,
  • Basa Djawa,
  • Basa Madoera,
  • Basa Bali.

Pangna ieu opat basa dilebetkeun satjantilan, margi sadedeg sapangadeg sawanda saparoman. Kawoewoeh poesaka-elmoena — noemoetkeun tjoektjroekan anoe palinter mah — sasoengapan pisan.

Moal boa, eta margina noe mawi hantja anoe ajeuna dihareupan koe Java-Instituut: bangsa Soenda, Djawa, Madoera sareng Bali.

Doepi asal moeasalna basa Soenda, sami bae sareng basa-basa Indonesia anoe sanes, da poegoeh asal sasoengapan tea; doepi basa-basa Indonesia sahoeloewotan sareng basa-basa Autronesia anoe sanes; margi basa Indonesia teh kalelebet kana golongan eta basa, anoe mawoer di laoetan ti Madagaskar beulah koelon dongkap ke poela-poelo Paas beulah wetan, ti Formosa dongkap ka Nieuw Zeeland.

Parantos loba ahli-ahli basa anoe mapaj neangan asalna Basa Austronesia, nanging koe margi aloerna parantos teu ngaloeloeroeng, taja toelis noe djadi saksi noe njata, pikeun djelema djaman ajeuna sesah kabinabina kengingna katerangan noe sanjata hal asalna Basa Austronesia; tjalétjér-tjalétjér noe djadi tjitjiren djalan talapakanana parantos laleungitan karimboenan koe loekoet-loekoet boeboeloek

63
 
[ 64 ]windoe, kapoekan koe kalangkang sang kala peteng. Anoe ditjarepeng koe noe arajeuna ngan oekoer taksiran anoe palinter bae, nja eta wangwangan nganggo wawaton babandingan kaajaan basa sareng ketjap-ketjapna.

Noemoetkeun taksiran Prof. Dr. Kern, nja eta goegoeloena ahli Basa Wetan, basa Austronesia teh soengapanana aja di Tanah Hindoe-Toekang beulah wetan. Daratangna ka Noesa Hindia, lantaran djadi kasilih koe Djoenti, nja eta kalindih koe bangsa Dravida, asal oerang Hindoe Pareup.

Ari eta bangsa Dravida noemawi ngoembara ka tanah Hindoe-Toekang, doemeh kalindih koe bangsa Aria.

Djadi oepami oerang bade njekel wangwangan Prof. Dr. Kern, lemah tjai bangsa Indonesia teh, nja eta tanah Hindoe-Toekang. Ti Hindoe-Toekang parindah ngaloembara ka Noesa Hindia, lantaran kalindih koe semah, nja eta bangsa Dravida.

Ieu theorie Kern theorie anoe ajeuna djadi tjetjepengan, didaramel wawaton koe sadaja anoe ngaroelik Basa Austronesia. Nanging mindeng pisan dongkap pikiran ka djisim koering:

naha bet mawoer sakitoe tarebihna, ti Madagaskar dongkap ka Fidji, ka kalerna dongkap ka Formosa? Sakitoe batjatjarna mawoer di tengah laoetan, toer sakitoe patarenggangna. Ari ngemoetkeun disa-Hindia bae mah, nja aja bae mingpér-mingperna, namoeng ka Madagaskar? Asa wegah teuing.

Meuntas ti Hindoe Toekang beulah wetan ka Madagaskar; mangkaning djaman baheula pisan, alam palajaran tatjan sapertos ajeuna; .... her tangeh keneh kabina-bina; katerang djelema kana elmoe-boemi oekoer sakoelibek lemboerna, pang-tebihna oge meureun ngan oekoer saboeana; eta teh anoe pang-pangna, minangka Marco Polona atanapi Columbusna.

Koemaha pitiasaeunana wani kambang-kambangan di sagara ngadjoegdjoag Madagaskar?

Doepi theorie-Sclater sareng Haeckel, lemah tjai Basa Indonesia teh hidji boeana anoe parantos kakelem, ajana di kidoeleun boeana Asia, wastana Lumeria; doepi koe oerang Hindoe diwastaan Langka-dwipa.

Naha moal, dongeng anoe kaoengel dina Kitab-kitab sareng dina Bijbel, noe njarioskeun boemi dikelem djaman Nabi Enoh teh, asalna tina tjarios kelemna Lumeria tea? anoe ajeuna ngan kantoen njangkaroek saeutik deui, ngendat tingaroedat dina ingetan kamanoesaan djadi pitoetoer sepoeh toeroen-toemoeroen ?

Asa pantĕs naker oepami kitoe teh!

Oepami eta theorie anoe leres, meureun poelo-poelo anoe ajeuna batjatjar njebar di laoetan teh, eta tanah datar anoe laloe-hoer sareng pagoenoengan-pagoenoengan anoe teu kakelem.

Oepami kaart anoe dina boekoe Hand-boek van Insulinde1) (antara katja 16 sareng 17) koe oerang ditingal ditengetan, katingal aja kanta-kanta anoe ngahoedangkeun sangkaan ati, siga naker Noesa Hindia ti wangkid Selebes ngoelon asal ngantet ka Asia; ari Nieuw-Guinea ngantet ka Australia. Djadi Noesa Hindia teh baheula pisan mah sigana asalna boeana.

Oepami asalna hidji boeana anoe peupeus koe ombak laoet, atanapi koe oeroeg di djero boemi, boh koe lantaran lianna, pantes batjatjar djadi poelo-poelo anoe mangreboe-reboe, dieusi djelema asal oerang Lumeria tea, anoe ti tadina oge basana parantos djadi roepi-roepi dialect.

Ngan anoe ka Madagaskar, tetep asa teu kadjawab keneh bae, reh kahalangan koe Samoedra Hindia.

Ajeuna aja theorie Sial sareng Sima2), njarioskeun hal winangoenna boeana sareng samoedra, noemoetkeun pamendakna Prof. Wagener. Di oearkeunana koe eta Professor tatjan pati lami. Eta Theorie ngarombak sadaja theorie lami.

Tjek eta theorie, dina djaman baheula-ning baheula boeana Amerika kaler sareng kidoel rapet ka Eropa-Afrika (Tingalian

__________

1) Labberton's Hand boek van Insulinde, tjitakan 1910

2) Sial = silisium + aluminium Sima = silisium + magnasium noemoetkeun Leer der Isostasie

64
 
[ 65 ]kayaan basisirna, pipatumbueunnana pagunungan di Eropa sareng Amerika Kaler ; Australia napel ka Asia ; Madagaskar napel ka Hindu Hareup.

Ku robah-robahna kaayaan bumi (geologische proces), loba tanah-tanah anu lengket marisah, ngeser ka tempat sejen, margi eta tanah-tanah the ngambang dina “ SIMA”, lir gunung es anu ngambang dina sagara, pipindahan kageserkeun ku rupi-rupi lantaran.

Jadi siga naker, jelema anu nyicingan Nusa Hindia alam harita, nyaeta alam ngahiji sareng Asia, Madagaskar napel ka Hindu Hareup; tah alam harita urang Austranesia nyicingan eta tempat.

Barang paturay ku robahan bumi (geologische proces) tea, pangeusina oge paburencay, lajeng pada ngalalakon nuturkeun hirupna sorangan, nya jadi rupi-rupi basa anu saparoman, kawantu saruntuyan asalna sapupuhunan.

Mana anu pangmunasabahna antawis eta wangwangan-wangwangan anu diserat di luhur, jisim kuring kumambang kana timbangan para juragan.

Ayeuna urang carioskeun bangsa anu tetela bae, tegesna langkung tetela mana “wangwangan asalna Basa Sunda”, nyaeta hal basa Sunda dilebetkeun kana golongan basa Indonesia bagian kulon. Anu didamel ciciren lebet kana golongan eta, babakuna pisan kaayaan kecap-kecapna sareng rakitanana omongan.

Pikeun netelakeun adegna Basa Sunda, perlu dibanding-banding heula sareng basa sanes anu sagolongan. Jadi ieu padamelan the enya-enyana hancengan ahli Basa Wetan, sanes ajang hareupaneun jisim kuring; nanging pikeun nyumponan sarat anu perlu jadi saksi, jisim kuring kapaksa kedah muka peperenian, kenging mulungan tina paririmbon batur.

Mimiti urang ngabandingkeun hiji kecap Sunda sareng basa sanes anu sagolongan. Dupi anu bade didamel conto, nyaeta kecap “heunteu” anu sami sareng “neen” dina basa Walanda tea.

Di cantilan Djawa:
Jawa = ora Jawa Tengah, Bang Wetan = ‘nda
Madura = tade
Bali = inda

Cantilan Sumatra
Aceh = hana
Nias = Ieu-eu
Gajo, Batak = ‘ndang, lang, Lalang.
Minangkabo = ‘inda, ta’
Malayu = tidak, ta’

Cantilan Borneo
Rupi-rupi bada Dayak = ang,angaan, Poang, nyian, nyan, eam, heam.

Cantilan pulo-pulo Sunda aralit.
Bali, Bali-aga, sasak, Sumbawa Kulon, Bima, Sumba = inda
Sawu = ‘a de,
Flores = ‘eong
Solor = take

Bara-bara Celebes.
Gorontalo = dila, dio, diu, dia.
Tomini = tiaje, ‘ndau, gega,…jst.
Toraja Kulon ==Ledo, unde,…jst.
Makasar == Tena. Taena…jst
Bugis == ‘nde’.

Tingali cicingna sora t sareng d.

Ayeuna urang nyandak hiji tempat, urang bandingkeun kecap-kecapna sareng Basa Sunda; anu bade dipilih Menado margi ari Jawa atanapi Malayu mah, ku emutan asa teu kedah ditataan deui didieu, dumeh sok kapendak sadidinten tea. Sareng deui ari Jawa sareng malayu mah, urang parantos kacida wanohna, jadi tiasa sakalian kasampeur kabandingkeun. Sumangga araos bae ieu di handap:

Sunda Menado
Awewe Wewene, beneh
Baraya Taranak
Bapa, ayah Amah, amang, baba, papa, ama, tata.
Indung Mah, inang, ma, mah, inah.
Anak Anak, okih, wana.
Leungeun Dengen, lengen, lima, rima.
Ati Atey, nate, ate, ening, hate.
Langit Langi, rangi, dangit, langit.
65
 
[ 66 ]
Laut Laur, tasik.
Angin Anging, angin, reges.
Hujan Uran, nuran, ujan, tahiti, unran.
Gelap Kilap, sangelah, kilah, kilat, kila.
Gunung Toka, wukir, kuntung.
Tetelar Talun, rowar, ataran, padang.
Jalan lalan, lalang, palampangan, dalan.
Imah Waleh, baleh, warei, bareh.
Kebon Numa, uma
Daun Danuna, ranina, danina, daun, daon.
Batu Watu, batoe, batu.
Manuk Manu, manuko, manuk.
Cai Dano, rano.

Eta babandingan kecap tiasa diwuwuhan ku babandingan rakitan omongan, nyaeta: Basa Indonesia golongan kulon, kecap anu jadi katerangan salamina cicing ditukangeun kecap anu diterangkeun ; sapertos:

Sunda: Beas bodas
Jawa: Wos putih
Madura: Bherras pate
Bali: Beas putih
Minangkabo: Bareh putieh
Batak: Dahanon bontar
Aceh: bre putih
Dayak: bocah putih

Eta babandingan anu ditataan di luhur, sadayana jadi ciciren, yen Basa Sunda teh aya di wewengkon Basa Indonesia bagian Kulon.

Ayeuna urang muguhkeun heula wawatesanana nu jadi dayeuh maneuh Basa Sunda, lembur matuh banjar karang pamidangan.

Pikeun netepkeun wawatesanana tempat hiji basa, hese kabina-bina, moal sabaraha bentena sareng nuduhkeun watesan Supitan Sunda ti beulah kulon : ,, tah’’ semet dieu ngulon Samudra Hindia, ka wetan Supitan Sunda”. Cik mangga tuduhkeun guratna.

Ieu oge dina bade netepekeun wawatesanana Basa Sunda, nya kitu. Margi basa teh lir upami cai sok awor pacampur sareng baturna, pacorok paala-ala sareng tatangga, eta heunteu matak gampil kana netepkeun watesna basa.

Wates Basa Sunda ti kulon heunteu bangga neangannana, margi parantos aya kakalang alam, nyaeta Supitan Sunda, nanging netepkeun kekenteng keur wates ti beulah wetan, nyirian lebah mana ngarandegna Sunda ditema ku Jawa, beulah ti kulon Sunda pituin, ti wetan Jawa tulen, tah upami kedah nuduhkeun wates anu kitu, hamo moal tiasa kapendak, da nyaeta basa the sok awor tea sareng tatangga. Patemana basa mah tara ngagentakm kedh mayat bae, sapertos basa Sunda ditemana ku basa Jawa, sanes : Sunda == Jawa, nanging : Sunda pituin….Sunda campuran, Jaware ==== Sundareh…, Jawa-camuran…., Jawa tulen.

Jadi upami didieu jisim kuring nyebutkeun “ watesna Basa Sunda” teh, sayaktosna langkung leres, upami disebat : sabet-sapon basa Sunda.

Wates Sunda beulah ti wetan anu ayeuna dianggap ku jelema lumrah: Cilosari ngidul lajeng ka Citanduy, dumeh Basa Sunda teh basana urang Pasundan, dupi watesna Pasundan ti wetan, nyaeta Cilosari sareng Citanduy. Nangin eta mah wates kanagaraan, sanes wates nu jadi kekenteng wewengkon basa. Dupi wates nu jadi kekenteng wewengkon Basa Sunda mah, ayana di wetaneun wates anu bieu, nyaeta kinten-kinten leresan Cipamali ka kidul mapay sisi Kali Tajem, malipir Jatilawang turut-turut Cisarayu.

Kawuwuhan Cipamali teh carek caturing pitutur, baheula jadi wates karajaan Pajajaran sareng Majapahit, ciciren ragragna saur Raka sareng Rai nu mentas galungan ngadi kasakten, didinya ngedalkeun ucap tunggal, “ saur ratu sabda pandita”, tegesna omongan anu teu kenging diletak deui, digantungan ku supata : “ pamali ngacak ka pentaseun Cipamali “, tug dongkap ka kiwari eta cai nelah Cipamali ceuk urang [ 67 ]Sunda; ari ceuk urang Jawa Kali Pamali.

Dina jaman ayeuna eta kekenteng anu dikentengkeun bieu geus moal pati tetela, hartosna heunteu pati nembres cara dina windu ka XVII, nalika jaman harita mah eta wates teh tetela keneh. Nanging dina waktos Sultan Agung Hanyokro Koesoema nimbalan Pahurekso ngarurug ka Batawi, harita aya 300 prajurit Jawa anu ditunda di bawahan afdeeling Cilacap ayeuna. Eta 300 prajurit tea alam harita sanes saeutik, kawuwuh bangsa anu nyepeng kakawasaan, tah anu mimiti ngudaran kasundaan di Afdeeling Cilacap. Sabab, najan tadina niat ditunda oge, nanging teu dicokot deui, dumeh Bahurekso kadeseh tea perangna. Eta prajurit anu 300, lajeng matuh bebenah didinya anak baranahan. Ayeuna di Cilacap anu Sunda keneh, ngan kantun belah kulon bae, babakuna distrik Majenang sareng Dayeuhluhur. Di karesidenan Pakalongan Basa Sundana nyinggetan ngeret ka kulon, ngan kantun afdeeling Brebes belah kulon.

Nanging ieu tempat-tempat anu kakurung kalang anu bieu tea, heunteu sadayana basana Basa Sunda, sapertos afdeeling Cirebon, Darmayu sareng Banten beulah kaler, urang dinnya basaba Basa Jawa Cirebon; malah urang basisir afdeeling Karawang kenging disebatkeun meh patengah bae sareng Jawa. Kajabi ti eta urang Batawi basana Basa Malayu Batawi.

Anu basana Basa Sunda tea, heunteu sadayana sarupi bae, sabasa salagam, salentong, anging dibagi-bagi jadi pirang-pirang dialek.

Hal perkawis dialek moal dilajengkeun didieu, margi aya pitempateunnana anu langkung merenah, tur aya pijelemaeunana anu langkung tabah mana jisim kuring kana bab dialek. Tah didinya bab dialek baris diwayangkeun dongkap ka imet.

Ku sadaya meureun katingali, yen rupi-rupi perkawis anu ditataan di luhur, sawareh parantos nuduhkeun “ Adegna Basa Sunda “, najan ku jisim kuring heunteu pok pisan oge disebatkeun, dumeh dihaja diwangun bubuka.

Ayeuna urang lajengkeun ditogmolkeun ngadadarkeun “Adegna Basa..” pisan.

Basa teh teu benten lir jelema, gaduheun dedeg pangadeg, pada mawa wanda “ kapribadian “, pada kancikan perbawa, ngan bentena sareng jelema teh, ieu mah katingalna sanes ku panon, upami ngarah teges kedah disasar ku rasa, kenging oge ditilik ku pikiran, dirucat ranjinganana. Jadi hal Basa teh kedah diaji ku elmu Basa; ngan moal atra upami heunteu dibarung ku rasana.

Bade diawitan ku nyarioskeun :

a) Kaayaan kecap-kecapna.

Kaayaan kecap-kecap Sunda ayeuna lolobana dua-dua sora, jadi kenging ngan disebatkeun hiji basa anu kecapna dua-dua sora atanapi dipondokkeun : “ Hiji basa anu dua-dua sora “.

Tangtos pisan loba kecap-kecap anu langkung ti dua sora, tilu sora, opat sora, malah anu lima sora oge loba. Nanging babakuna mah ngan dua-dua sora.

Upami urang manggih kecap anu tilu sora, sok torojol bae datang pikiran anu nanyakeun: “ Naha ieu teh Basa Sunda…”

Ana dihantem ditalungtik, bet meh patengan bae nu Sunda nu Sangsrit.

Kecap2 Sunda anu dua-dua sora tea, upama ku urang dipariksa ditengetan, diaji hartina, pek dirucat ranjingan sandi-sandina, loba kacida anu mantak heran, heran ku bebenangan sorangan direndeng-rendeng sareng panemu batur, buh beh asa kawenehan, reh tarembong, yen kecap-kecap nu magahkeun dua sora the, bet asalna pisan mah geuning sasora. Eta “sora” aya nu asal saengang, sapertos : a, e, i, o, u, eu sareng e’ (ieu oge a, i , e, sareng salajengna, ari enya-enyana mah asal dua engang) ; aya dua engan, sapertos : ha, na, ra,…sareng salajengna; aya nu asal tilu engang liket jadi hiji, sapertos : ca, kra, pya….sareng sajabina tea. [ 68 ]Kĕtjap2 Soenda anoe doea sora tea, oepami sora anoe ti pajoen maeh, kenging ditangtoskeun sadajana maeh aksara iroeng, sapĕrtos: pandjang, leumpang, ponteng .... s.s.t.

Oepami sanes maeh aksara iroeng, eta ngaradjek sorana, aja noe ngaradjek lĕrĕs, aja oge anoe bari ngarobah sora anoe ti heula, sapĕrtos: ragrag, talak, rokrak .... s. s. t.

Eta netelakeun jen asal-asalna pisan mah Basa Soenda teh, kětjap-kĕtjapna ngan sasora-sasora. Sora asal ti poengkoer, ari noe ti pajoen rarangken.

Hal ieu teu atjan aja anoe njoektjroek ĕnja2 dongkap ka kaboekana. Djadi hantja hantjĕngan anoe aranom anoe bade ngaroelik Basa Soenda. Geura mangga lĕnjĕpan:

tah nah
bĕbĕ tah bĕbĕ—nah
keu—na ngeu—nah
gĕ—nah
poe—nah Conto
sarĕng seueur2 deui.

Ieu deui:
toeh i—toeh a—toeh ki—toeh
sareng salian ti eta.

Kadjabi lobana sora, ngengna sarĕng tjitjingna eta sora dina kĕtjap oge, teu sami Soenda sarĕng deungeun. Nanging loba oge basa deungeun noe parantos ngalĕmah djadi Basa Soenda, dongkap ka oerang geus teu asa ngakoe, tina kalamianana tjitjing di Soenda, sarĕng lĕrĕs mĕrĕnahkeunana, toer tangtoengna soeroep sarĕng tangtoeng Soenda. Da ari anoe teu pajoes njoesoeroepna mah sok ngagĕtroek njĕntoeg kana rasa.

Goeroe anoe parantos kolot tjara djisim koering, meureun pada ngarandapan pribadi, koemaha raosna barang mimiti ngadangoe kĕtjap pariboga; kapan ngagasroek geuning, sarta djol beh bae koe rasa teh, jen boa semah datang ti djaoehna, njiliwoeri njamar make saroeng poleng: da di Soenda teh pari aja boga ti kapoengkoer oge gadoeh; nanging pari boga sanes soeroepanana, karasana koe rasa Soenda aja ngagasroekna, tjara disaroeng poleng ari ikĕtna "kĕtoe oedĕng" boeatan Solo, atoeh tetela teu poegoeh salang2na, da poleng mah soeroepna pisan teh kedah "ngĕre".

Ari pek ditaloengtik jaktos bae sanes oerang Soenda, basa Sangsrit geuning; eunteup sanes kana pigeusaneunana. Manoek kanari dilĕbĕtkeun kana koeroeng serendet. Lain2 daoen awi lain pihiriseunana.

Geura ari soeroepanana mah, dipěrnahkeun koe rasa Soenda, nadjan Basa Sangsrit Basa Kawi oge teu djanggal teu sing:

"Djĕloma anoe kitoe djĕlĕma nista, kabawa koe hawa angkara moerka".

Toeh kapan teu ngagasroek teu njĕntoeg, geuning ngaleot bae.

Pikeun ngawoewoehan katĕrangan hal Basa Soenda, koe emoetan pĕrloe aja tjonto robab-robahna kĕtjap, soepaja kaoeninga hidji kĕtjap tiasa sabaraha kali robahna. Koe hal eta, ieu di handap disĕratkeun robah-robahna kĕtjap sĕrat. Ngahadja milih eta, doemeh ajeuna kaanggo sadidintĕn kana basa lĕmĕs, nadjan rada sĕng Djawa oge, da hiroepna Basa Soenda poegoeh aja ngadjawana:

[ 69 ]
[ 70 ]
  1. sarĕratkeun
  2. sarĕratkeuneun
  3. sarĕratkeuneunana
  4. pasĕratan-pasĕratan
  5. pasĕratan-pasĕratanana
  6. pipasĕrataneun
  7. pipasĕrataneunana
  8. pikasĕrateun
  9. pikasĕrateunana
  10. pidisĕrateun
  11. pidisĕrateunana
  12. pimangnjĕratankeun
  13. pimangnjĕratankeunana
  14. pimangnjĕratkeun
  15. pimangnjëratkeunana.

"Ari aja djorodjoj mah atoeh keur naon make kaleked, tjreng bae ka dinjah, da doeit ngeupeul".

Tah omongan bangsa kitoe, geus moal boa hesena pikeun bangsa sedjen anoe dialadjar Soenda, padahal keur oerang mah kapan sakitoe tetelana.

Eta kĕtjap-kĕtjap noe karitoe djadi tjitjiren Adĕgna Basa Soenda.

b. Kaajaan rakitan omongan.

Ningalian tangtoeng Soenda dina rakitan omongan, parantos ditjarioskeun saeutik di loehoer, nanging ari ngarah tĕgĕs pisan mah, djol beh Soendana, hese beleke ari sanes oerang Soenda mah. Nja radjeun


Tah sakitoe anoe parantos kapĕndak. Ieu roendajan kĕtjap anoe di loehoer, moal boa loba kakiranganana. Koe margi eta disoehoenkeu loentoer manah anoe aroeninga,kĕrsa ngawoewoehan kakiranganana.

Tadi di loehoer parantos disĕbatkeun, jen mariksa Basa Soenda mah, pĕrloe pi

 ogo aja tocloengan saeutik, ocpami diban


ding-banding sarong basa deungeun; ata-

napi ningalian boekoe-boekoe Soenda sali.
nan tina basa sanes, nadjan pokpokanana
Soenda oge, sarta rakitan omongan dina

sakoma-sakomana Soenda, ari ngaran. . djingkeunana omongan sarčng omongan san disasar koe rasa, margi dina kētjap- deui mah sok katjiri bae. këtjap pagaweanana, hintou anggeus koe Sapertos boekoe Pieunteungeun, tjatja- njčbatkeun pagaweanana bae, nanging nieh kan anoe kagoengan jasane boedjangga salamina disarčngan koe sipatna-paměta. Soenda anoe kontjara iasa kana basa, na- gawe: kocmaha eta pagawean teh katingal- inging basana dina: boekoe Pieunteungeun na koc rasa. mah, sanes Basa Soenda pitoein; katingal- Saportos dina njarioskcun: djantoeng na siga noe disaroeng gěroesan bčudona bidjil. eta teu tjčkap koe disebatkeun make tjčkoan, ,,bidjil" Woengkoel, da kedah aja gam- Moal boa lantaran Djoeragan Moehamad bar bidjilna tea, , kakara eta omongan Moesa kabawa koe lambak Basa Djawa teh léngkop adēg Soenda: ,,na aja noe sakitoe galėdena. Djisim koering pa- résēp ningal tjace kapas di kebon, ana po. rantos ngaranapan pribadi, oepami min- donghol teh djantoengna mani sagede ping- dahkeun basa sanes kana Soenda teh, ko ping: dah bae kasoeroeng-soeroeng koe aloen Ketjap-kõtjap bangsa eta teh sami seu- basa deungeun teh. Oepami njalin Basa curna sarēng ketjap pagawean; dianggona Djawa mindong pisan djadi Soenda ditjē. sok pgarcntet sarčng ketjap pagaweanana, koan; oepami Basa Waalanda anoe dipin- kadangkala ketjap pagaweanana mah sok dahkeunana, torodjol Soenda ditjalana té tjoel bae, komo dina njarios sadidinton pas. torodjal deui Soenda ditjalana lepas; mah: dalah dina toetoelisan oge sering estoening hese beleke pisan disina make dianggo ngagěntos kétjap pagaweanana, goroesan geus rémět bari ngēre teh. tjoel kětjarna tinggal sipatna. Eta margina noe mawi njalin teh kan Soemangga tingali tjonto omongan anoe.. lēbēt keneh kana kabinangkitan, tjek Wa- tadi di lochocy; geuning tjoel bae këtjap landa tea mah cunst. pagaweanana mah. Geura ieu di handap, aja sababaraha. Melding lio eta mah kaetang masih tjonto omongan kenging ngabantoenatinas: terang, pikahartoseun koe deungeun: oge. hidji karangan salinan tina boekoe: Nanging omongan di handap ieu: lajoe: [ 71 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/13 [ 72 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/14 [ 73 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/15 [ 74 ]Geura mangga taringali bae kaayaan sareng robah-robahna Basa Sunda; montong waka tebih-tebih, ieu bae dina 10 - 15 tahun kadieu, jadi dina awal windu ka XX; sumawonten saparantos aya rupi-rupi pakempelan, kumaha kaayaan basa urang..? Sadaya tiasa nangein pribadi.

Upami Basa Sunda ku urang diawas-awas, lajeng dirucat digunduk-gunduk numutkeun golonganana, meureun ku urang kenging dibagi kieu:

I. Basa Asal.

Tegesna basa anu tulen anu asal ti sungapanana. Kecap-kecap anu aya dina golongan ieu, tangtos loba keneh anu aya dina Basa Indonesia anu sanes, sabab sadayana pokona nya ti dinya. Nanging kantena geus seueur bentenna, da paturayna parantos mangratus-ratus tahun pada nuturkeun lalakon sorangan; robahna didieu moal sami sareng di temapat sanes, da benten kaayaannana, lain deui kaperluannana. Jadi upami ayeuna dibandingkeun, lolobana mah meureun ukur ngan mingper-mingper bae.

Dina adegna Basa Sunda, aya conto babandingan basa. Geura tingali…! Kecap-kecap asal ti sungapan tadi tea, tangtos pisan ayeuna parantos robah, raragana geus lain deui sareng tadi, malah ari sanes ku nu ahli ngarulik basa mah kaciri oge moal meureun.

Sumangga tingali dina bab kecap “ heunteu “ dina adegna Basa Sunda, kapan sakitu patebihna, ngan saukur aya mingper-mingper saeutik pisan. Tinggal bae eta kecap teh, asal-asalna pisan mah kapan ”sami” , da sasumber tea.

Dupi pangna benten-benten, taya sanes tina kenging ngalalakon tea, kahujanan kapanasan, kambang-kambangan ngambah sagara, turun gunung unggah gunung, nyorang lebak nyukang pasir, asup ka leuweung ganggong si maganggong leuweung sumenem jati, nelar ngentak ti bubulak, nyaung-nyaung di rema di jami, ka bala ka bale, pipindahan ngabuniaga, beh manggih dayeuh maneh, tetep renggenek didinya.

Tah…! Kumaha teu bade benten sareng barang gurudag, da puguh mentas ngalalana sakitu lilana; estu hirup ku ibun gede ku poe teh saenyana.

Demi hal petana robah-robah jisim kuring teu sanggeum nyukcruk-nyukcrukna; ngan malah mandar engke aya nu tiasa mapay lalakon Basa Sunda.

Nanging pikeun tamba lengoh teuing, sareng sugan jadi pangdeudeul kanu bade ngarulik Basa Sunda, bade nyanggakeun ieu bae paendak saeutik:

1. jeung, didieu, nahaon, tidinya.

Dina 700 – 800 tahun kapungkur, sanes “ jeung” nanging “ deung”,
dieu hartina “dini”
ka dieu “ ka dini”
nahaon alam harita “nanaha”
ti dinya masih keneh “ ti inja”.

Ayeuna oge masih aya keneh sababaraha dialek anu nyebat “ naon ” teh “naha“, sapertos di Banten, Kuningan sareng tempat-tempat anu caraket kadinya.

Kumaha mimiti robah tina “deung” kana “ jeung”; “ka dini” jadi : “ka dieu” sareng salian ti eta, hal ieu poekeun keneh pisan.

Aya deui conto saeutik, hal robahna kecap dina Basa Sunda, Malayu sareng Jawa. Geura mangga banding-banding! Kecap a - su, basa Jawa; dina Sunda sareng Malayu bet siga dibantun lemesna : an - jing.

Sawangsulna, dina Sunda sareng Malayu a- sup, ma - suk (ma - sup) dina basa Jawa bet jadi man - jing. Kumaha lalakon manawi patuker-tuker kitu? Ieu hanca hancengan anu bade ngulik Basa Sunda, ngalajengkeun lacak anu dimimitian ayeuna.

2. Anu bieu didadarkeun di luhur, robahna raraga kecap, naging hartosna angger keneh. Kajabi ti robah kitu, aya deui kecep-kecap anu robah raragana robah katut hartosna:

“Seleh” dina basa kuno hartosna “cahaya” ; eta kecap robah jadi suluh. Dina [ 75 ]Malaju sareng Jawa hartosna “obor” = nu mere cahaya) ; dina Sunda hartosna : “kai” atanapi “awi” keur beleumeun di hawu (= nu jadi lantaran aya meun, nyaeta seuneu nu mere cahaya). Pwa robah jadi po = kapan, geuning; kabeh dieu robah jadi pun, nya di Malayu mah angger jadi “pun” bae, dina Sunda mah robah deui jadi “pon” hartosna oge robah deui tina ‘ kapan, geuning” tea, ayeuna meh sami sareng “oge” kuring “pon” kitu.

Malah ieu oge tina “pon” tea robah deui jadi “bon”:

. . . ulah “bon” kuring, apan juragan patih oge nyacat bae”

“imah hartosna “ imah “ ; saomah hartosna “saimah” ; eta kecap saomah direngkeskeun jadi somah hartosna “ cacah”….sareng sajabi ti eta.

3. Aya deui kecap-kecap anu raragana mah angger beleger, taya renggot-renggotna atanapi diayana oge robahna dina “mistina” saeutik, dumeh eta kecap asal Basa dengeun ngumbara ka Sunda, urang Sunda teu tiasa nguningakeun ceples nu gaduhna; eta kecap pindah hartosna :

“dalem” hartosna sami sareng === jero (wangsulna luar). Di Malayu angger weleh gartosna; di Jawa robah jadi lemesna tina homah; di urang, dina Basa Sunda hartosna Bupati.

Gamparan aya anu robah hartosna, nyaeta dianggo ngalemeskeun kecap maneh. Engke dimana eta tarumpah ----- kai paranti nu lengit jirimna, meureun kantun “ gamparan “ anu dianggo ngalemeskeun maneh tea.

Ma’lum asalna Bahasa Arab, hartosna sami sareng “ geus nyaho” . Meureun ku urang Sunda oge, tadina mah dipake ngabaturan kecap ,, nyaho” tea ; nanging ayeuna ilaharna sami sareng kecap ,, sampurna”

. . .sareng salian ti eta.

Robahna kecap sareng hartosna aya anu layeut sareng kodratna, hartosna nurutkeun pamenta bakatna asal, surup saembat sareng dedegannana. Eta robahan anu kitu bijil tina tuwuhna basa, mun dijelema mah atanapi sato hewan, minangka ngagedeanana anu mulus tea.

Misilna tina ,,seleh” = cahaya, luyu naker robah kana sulu = obor; tina obor kana ,,suluh” Basa Sunda.

Tah! eta robah nu mulus.

Nanging robahna basa the heunteu salamina mulus bae, mindeng naker aya robahan kecap, atanapi robahan rakitan omongan anu jadi kasakit kana basa.

Juragan Ardiwinata parantos ngalebetkeun karangan hal anu ngaruksak Basa Sunda kana Panungtun Kamajuan ping 30 Nopember 1913, taun kahiji, No.9. Dina eta karangan ku anjeuna dicarioskeun imet pisan hal hama-hama anu jadi kasakit Basa Sunda.

Saur Juragan Ardiwinata:

„Mungguh ngarobah basa the aya nu hade aya nu goreng. Anu hade the nyaeta anu robahna teu karasa tea, kawas basa robah kumanehna; kanyahoan-kanyahoan sanggeus sababaraha tahun lilana, atawa anu dihaja diganti kunu boga basa, ngarah alus atawa ngarah lemes atawa lian ti eta.”

Demi pamendak anjeuna hal robahan basa anu awon kieu :

„Demi anu disebut goreng the nyaeta basa robahan atawa basa anyar anu dipoyok kunu boga basa, nepi ka maranehanana embung make. Pamangih kula anu sok ngaruksak kana Basa Sunda babakuna bangsa sejen; jaba ti eta urang pribumi oge anu kurang budina, sok ngabantuan ngaruksak, kusabab eta leuwih hade ku kula diperwinci hiji2:
1. Paranakan. Nu rek dicaritakeun pangheulana nyaeta paranakan Jawa.

Keur alam Bandung tiiseun keneh, nyaeta tacan sakumaha lawasna ti anyaran dipindahkeun ti dayeuh kolot ka dayeuh ayeuna, keur imah-imah lona nu ku welit keneh make talahab sarta nu geus loba imah teh babakuna ngan turut jalan besar wungkul, geus mimiti loba urang Jawa nu ngumbara, caritana ti Darmayu, Cirebon, Tegal jeung Pakalongan. Pakasabanana dagang bae, ngawarung, ngagendong jeung salian ti eta. Beuki kabehdieunakeun beuki loba, malah tempatna oge ngumpul, disebutna lembur pasar, sarta pacarianana beuki rupa-rupa lain dagang wungkul. Tiharita mimiti di Bandung aya basa : urang pasar, jajar pasar, adat pasar. Nu balengharna sarta nyarita ti dituna aya turunanana disebut ku urang Bandung santana pasar, nyaeta nu sok kasaur kana raramean.”

Juragan Ardiwinata lajeng nyarioskeun hal eta tea nu ngalimbara tea dialajarna basa pribumi; nyakitu deui anak-anakna ngaromongna basa nu kadenge [ 76 ]ku maranehanana ti kolotna waktu keur leutik keneh.

Saurna:

„Lamun ku urang ditengetan nepi ka kiwari masih aya keneh basana anu salah, tegesna anu tara dipake ku urang pribumi. Sawareh mah lain salah, ngahaja maranehanana nyieun aturan sorangan anu kadengena ku pribumi rada nyentug”.

Tapi urang pasar anu dasar bisa kana basa mah, anu kacida campurna jeung pribumi, sumawona nu meunang pangajaran ti sakola, nya teu kitu. Eta mah nu kitu teh urang pasar anu lumrah.

Paranakan Cina jeung sinyoh-sinyoh oge - lahiran Juragan Ardiwinata - nya kitu bae sok ngaruksak Basa Sunda. Ngan dumeh teu loba, teu sakumaha mata salempangna.

Anu ngaruksak Basa Sunda teh deui :

2. Urang Sunda anu kacida campurna jeung urang pasar, loba pisan anu pipilieun make basa jeung omongan anu teu rujuk kana hatena pribumi tea. Babakuna anu kitu the anu kurang budina, kurang pangajaranana, katambah ku bakat Sunda sok resep tuturut munding.

Kajaba ti nurutan the jeung, ditambah jeung sok nyarieunan sorangan basa lemes anu mangsa ayeuna rungseb keneh kadanguna ku menak-menak saperti dongki ka manten. . . jst.

3. Dalang, pantoen, djeung djoeroe dongeng.

Tah sakitu anu „alam” harita katingali ku Juragan Ardiwinata sok ngaruksak Basa Sunda.

Jisim kuring ngahaja make kecap ,,alam”, najan ti waktos Juragan Ardi nyerat eta karangan dongkap ka ayeuna tacan lami, nembe 11 tahun. Nanging najan jamana teu acan lami oge, ari robahna kaayaan mah kaetang loba kacida, teu benten sareng mentas ngalalakon aya winduna.

Dina karangan Juragan Ardiwinata anu dicarioskeun bieu di luhur, aya sababaraha kecap Basa Jawa anu diparulungan ku urang Sunda, lolobana rarobah tina asalna, sapertos ; hapa basamu jadi apia bamuk”.

Upami hiji bangsa mulung hiji kecap tina bangsa deungeun, biasa neker sok kitu, margi kaayaan anggota paranti ngadenge sareng paranti ngomong teu sami; ranjinganana anggotan paranti ngomong urang Sunda benten sareng anggota paranti ngomong urang Jawa; rasa anu nampanan sora teu sami; pendek aya rupi-rupi pisan bentenna. Ku hal eta tangtos pisan basa anu kenging mulung ti deungeun mimindengna sok benten sareng asalna.

Nanging anu sok kitu the sanes basa urang dieu bae, dengeun-dengeun oge nya kitu. Geuning Walanda oge nyebatna ,, kapur barus” bet kamfer ; urang perteges anu dongkap ka tanah Sunda dina tahun 1511, dina catetanana aya catetan ngaran tempat-tempat sareng kapangkatan di urang: Chiamo, Xacatra (Caravam), Chequede, Pondang, Daio, Pangue de Pate de Dama.

Mangga saha nu nginten yen eta teh:

Chiamo karepna Cimanuk.
Xacatra (Caravam) karepna Jaketra (Kalapa).
Chequede karepna Cikande
Pondang karepna Pontang.
Dio karepna dayeuh (pangirana eta teh ngaran)
Pangue de pate Dama karepna sang Adipati Demak.

Jadi nya sami bae sareng di urang, geuning Jan Pieterzoon Coen jadi Murjangkung.

Kajabi anu parantos ditataan ku Juragan Ardiwinata, dina alam ayeuna aya deui anu sok ngaruksak basa the, nyaeta anu sok ala nganggur tulas-tulis kana pustaka-mangsa Sunda, sungkan ngaji heula basana, da pangira Basa Sunda mah babari. Dina karanganana munggah galituk basa Malayu anyar ; pendiran sareng pamandangan paselang sikep terhadep dianggo nyarungsun Basa Sunda. Estuning matak rungseb panon kolot.

II. Basa Rundayan

Anu disebat Basa Rundayan ku jisim kuring, nyaeta basa-basa anu jaradina beh dieu, rundayanana basa asal tea, mencar dina saparantos ki Sunda hirup macakal sorangan, geus cumarita misah ti kolot, hirup patatangga jeung dulur-dulurna.

  1. Geura mangga bandingkeun sareng basa-basa Indonesia anu sanes, hal [ 77 ]kětjap-kětjap Sunda anu ku Juragan Sumadinata disebat kětjap anteuran téa; enya-enyana mah éta téh kětjap pagawéan lulugu kénéh, anu ngagambarkeun sipatna pagawéan, sapertos jung nangtung, trét nulis, podonghol bijil, berebet lumpat, sareng sapapadana. Kapan kecap-kecap nu karitu téh teu aya di batur mah; di ayana ogé ngan ukur hiji-dua. Ari di urang mah sadaya kecap pagawéan lulugu baroga sipat.
    Upami anu diajar Basa Sunda teu acan iasaeun éta, teu acan iasa enyaan Basa Sunda.
  2. Ku pitulung rarangkén-rarangkén: Moal ngahaturanan contona, margi sadaya ogé kantenan parantos aruninga, kawantos diajarkeun di sakola. Ngan aya sarupi anu badé diserat contona téh, duméh tara pati kasorang ku unggal anu sakola, nya éta:
    tapok jadi talapok
    kawat jadi karawat
    sareng sajabi ti éta.
  3. Dirajek:
    kuda-kuda, siku-siku, mamata.
  4. Dikantétkeun sareng kecap sanés:
    héjo-botol
  5. Digentos sorana:
    hirup sareng hurip
    neupa sareng nepa
  6. Dipiceun sapotong atanapi diriutkeun:
    ngakutan jadi ngakut
    pasapuan jadi pasapon.
  7. Kecap anu kénging ngahaja baé ngadamel.

III. Basa Kosta

Ieu “Basa Kosta” ka pungkur parantos dicobi-cobi dianggo ku Juragan Ardiwinata dina Papaés Nonoman sareng dina Panungtun Kamajuan. Jisim kuring loba mupakatna batan henteuna kana maké éta kecap dina Basa Sunda.

Éta margina nu mawi ayeuna dipintonkeun di ieu Kongrés, malak mandar para juragan sapuk nganggo éta kecap.

Dina Basa Sunda loba kabina-bina basa kosta, nanging teu kedah ngaraos lingsem, sumawonten hina mah, dumh dina basa urang loba basa kostaan, da basa deungeun ogé nya kitu. Saha-saha anu parantos ningalian Kramer’s Algemeen verklarend Woordenboek, meureun uningan aya sababaraha kecap lobana basa kosta anu aya dina Basa Walanda. Mangkaning neureun loba kénéh anu teu kacatetkeun.

Kapungkur dina seratkabar aya anu nyarioskeun hal kabeungharanana Basa Inggris ku kecap; éta basa-basa anu pangbeunghar-beungharna saalam dunya. Cék éta karangan – basa kostana nu aya dina éta basa, kinten-kinten aya saparapatna.

Sanajan éta karangan upamina henteu leres pisan, nanging parantos jadi katerangan ogé ka urang, yén dina Basa Inggris loba kacida basa kostana.

Naha naon margina nu mawi hiji basa kedah baé kacampuran ku basa kosta?

Anu babaku margina kieu:

  1. Lantaran campur sareng bangsa séjén anu darongkap ka dinya.
  2. Ku margi éta bangsa mulungan élmu ti bangsa séjén; sapertos bangsa urang ngalap élmu ti urang Hindu, Arab, Walanda, sareng salian ti éta.
  3. Ku margi loba barang anyar anu teu aya di urang, didongkapkeun ti bagara deungeun. Nya lolobana mah ngaranna téh sok ngaran kosta baé cadél-cadél ogé.

Sadaya basa kosta kalebet kana basa anyar, nanging aya anu anyar pisan, aya anu parantos puluh-puluh tahun, malah aya anu parantos winduan.

Basa kosta anu parantos winduan ayana di urang, geus sarimbag baé sareng basa pribumi; urang ogé geus teu asa jeung jiga, asa ka basa pituin baé; malah anu tarerangeun yén éta basa anu ngumbara ogé, ngan anu ahli ngulik basa baé, ari urang réa mah teu tarerangeun.

Ayeuna urang perwinci basa kosta anu aya di urang, kumaha asalna nu matak [ 78 ]arasup ka urang sareng kumaha kapakéna di urang.

Hal ieu parantos dipedar ku Juragan Ardiwinata dina Papaés Nonoman dua nomer. Ieu ku jisim kuring dicutat sakur anu perlu kauninga ku anu raresep ngulik Basa Sunda:

Nurutkeun kapakéna basa kosta téh aya 7 rupa:

1. Nu tacan tetep kapakéna, kakara dipaké ku dua tilu jelema baé, anu bisa kana basa séjén atawa anu ahli cetaan. Saperti cék anu bisa basa Walanda: Éta jelema pang datangna ka dieu aya politiekna. Anu matak sakitu beungharna téh, taktikna dina balangsiar alus pisan.

Cék hiji ulama: Mudah-mudahan baé Gusti nu Murbéng rat énggal maparin pahla ka istri nu sakitu taatna ka carogé.

Kecap-kecap anu di kitu, lamun teu geuwat-geuwat dipiceun, lila-lila mah tangtu jadi kaprah sarta urang Sunda nu pandeuri moal nyahoeun, yén éta basa séjén.

2. Kecap beunang nyokotn tina basa séjén, lantaran teu aya pisundaeunana, babakuna kecap nu kapaké dina élmu-élmu atawa ngaran barang-barang nu asal ti nagara séjén. Kecap anu kitu sawaréh mah lantaran geus heubeul pisan dipakéna, geus teu aya nu nganyaanan basa séjén, marukan Sunda tulén baé, katambah ku ngunikeunana geus béda pisan tina asalna, saperti akar, pasar, pangrajék, moal, jst.

3. Kecap beunang nyokot tina basa séjén, sarta aya pisundaeunana, tapi geus kaheubeulanana, geus prah baé saréréa pada nyaho, malah lolobana mah jelema téh geus teu nyarahoeun, yén éta lain basa Sunda tulén, marukan basa tuturunan baé; ari kecap Sundana nu asal, dianggap rangkepanana baé, saperti maksud jeung karep. Nya kitu deui tina geus teu asa beunang nginjeum téa, loba pisan basa kosta anu dirarangkénan dijieun kecap rundayan, malah sawaréh mah dilemeskeun sakali, maké patokan ngalemeskeun basa Jawa, saperti maksud-maksad.

4. Pirang-pirang basa kosta anu dijieun basa lemes, babakuna basa Jawa.

5. Aya deui kecap kosta anu asalna aya sasaruanana dina basa pribumi, tapi lila-lila, ku lantaran lumbrah (taal-geruik), jadi béda jeung kecap asalna. Saperti kecap moal asalna basa Arab mohal, hartina teu kaharti ku akal ayana, méh sarua jeung kecap hamo dina basa Sunda.

Tapi ayeuna kapakéna kecap moal jeung hamo téh di Priangan mah aya bédana, nya éta ari hamo mah maké boga harti taya petana bisa (onmogelijk). Tah kecap anu kitu téh loba deui dina basa Sunda.

6. Loba kecap kosta anu sulaya dipakéna ku urang Sunda tina asalna. Saperti kecap hilap dina basa Arab, hartina béda atawa sulaya, tapi ana geus jadi basa Sunda bet jadi poho hartina téh. Kecap balég ogé basa Arab, hartina jelema nu geus umur 15 taun ka luhur, nya éta anu geus wajib ngalakonan paréntah Syara. Tapi dina basa Sunda balég téh sok dipaké kana begér.

7. Geus tangtu pisan anu matak urang sok nyokot basa séjén téh lantaran kecap anu kitu henteu acan aya pisundaeunana. Ari rék nyieun anyar, hésé atawa tacan lumbrah, katurug-turug adatna jelema sok resep nurutan basa batur. Tatapi jaba ti kitu loba ogé kecap-kecap anu baheulana kawas-kawas aya Sundana, tapi jelema ayeuna geus teu aya nu terangeun, semu-semu jati kasilih ku junti. Saperti basa Arab akal anu hartina verstand, ayeuna geus teu aya Sundana, padahal piraku baheula jelema teu boga akal. Aya ogé kecap budi anu sakapeung sok sarua hartina jeung akal, tapi éta ogé lain basa Sunda.

Ngaran-ngaran poé anu kapaké ayeuna kabéh basa Arab.

Naha saméméh agama Islam urang Sunda teu boga ngaran poé? Aya ogé ngaran poé asal tina basa Kawi, nya éta: [ 79 ]Rédite, Suma, Anggara, Budha, Réspati, Sukra, jeung Tumpak[1], tapi ku urang Sunda mah teu diaku, malah nu nyahoeun ogé ngan hiji dua bangsa dukun palintangan.

Ayeuna di antara anu tujuh rupa téh mana anu kudu dipiceun?

Naha kudu dipiceun kabéh?

Henteu, sawaréh-waréheun baé, da lain basa Sunda baé anu sok kaasupan basa séjén téh, sagala basa ogé di dunya, sakur nu bogana geus campur atawa kadatangan bangsa séjén mah, geus tangtu baé basana kacampuran.

Komo dina basa Walanda mah sabaraha ratus meureun basa kostana téh. Saha-saha nu geus ningali Kramer’s Algemeen Verklarend Woordenboek, meureun uninga sakumaha lobana vreemde woorden dina basa Walanda. Upama urang maca hiji karangan tuan anu pinter, tangtu puluh-puluh kecap kosta anu kapanggih ku urang. Dina surat dienst anu sakumaha pondokna ogé langka pisan anu beresih basana.

Demi anu kudu dipiceun téh tina basa Sunda, babakuna pisan nu kasebut dina nomer 1. Jaba ti dinya sakur basa nu aya pisundaeunana anu kasebut dina nomer 2 sanajan geus ngalemah ogé kudu ditungtut dipiceunan, digantian ku basa Sunda tulén, anu geus kaluli-luli.

Demi anu jadi basa kosta dina basa Sunda téa asalna beunang nyokot tina sababaraha basa, nya éta:

1. Basa Hindu nya éta Sanskrit jeung Tamil, sabab baheula urang Sunda geus jadi bawahanana urang dinya. Kecap-kecap nu kapaké dina agama atawa kapercayaan jeung dina élmu-élmu, saperti élmu tani, élmu-élmu kalahiran jst., loba pisan nu asalna tina éta basa.

2. Basa tanah Hindia, lolobana basa Jawa jeung Malayu. Geus teu kudu dicaritakeun deui naon sababna anu matak di Sunda loba basa éta, ku sadaya ogé tangtu kamanah, anu matak ku nu ahli basa mah, basa Jawa, Sunda jeung Malayu téh disebutna ogé verwante talen atawa zustertalen. 3. Basa Arab sabab urang Sunda geus maké agama Islam. 4. Basa Pérsi jeung basa Cina, sabab ti baheula loba urang dinya nu ngadon dagang ka urang. 5. Basa Portugis jeung basa Inggris sababna nya kitu kénéh. 6. Basa Walanda, lantaran geus leuwih ti 300 tahun tanah Sunda jadi bawahanana Karajaan Nederland.

Ringkesna. Jisim kuring yakin dina ati, yén sadaya basa di saalam dunya, sakur anu kasebat basa hitrup mah, teu kénging henteu kedah baé gaduh kecap-kecap anyar.

Ari lantaranana nu mawi garaduh kecap anyar, margi a. éta bangsa beuki lami beuki wuwuh kanyahona, pikiranana nambahan, b. campur sareng bangsa séjén, c. ngalap élmu ti deungeun, d. aya barang anyar buatanana, e. aya barang anyar ti nagara deungeun.

Éta kecap-kecap anyar téh aya anu matak tambah reugreug kana basa, aya anu sapertos teki matak keri.

Ari jaradina éta kecap-kecap anyar téh, aya anu jaradi sorangan, tegesna henteu dihaja-haja dipidamel, kauninga-kauninga parantos prah baé diparaké ku sadaya, tur teu aya ngagasrukna kana rasa, sapertos listrik, maskapé, jsb. Aya kecap anu jadi sorangan anu nyentug kana angen, sapertos jalmi, dongkip, jsb.

Kajabi anu jaradi sorangan, aya deui kecap anyar anu dihaja dipidamel, babakuna anggoeun dina élmu-élmu.

Tina hal ngadamelna sareng nganggona kecap-kecap anyar, numutkeun émutan jisim kuring kieu: [ 80 ]

I. Bab ngadamelan
  1. Kedah ngotektak neangan ketjap-ketjap soenda asal anoe hartosna sami atanapi rada tjaket kana ketjap anoe bade dipidamel
  2. ngawaroetah ngadamel ketjap anjar di bere harti anoe dipikarp koe oerang, nanging ketjap sareng karep kedah soeroep.
  3. ketjap-ketjap basa Walanda atanapi basa kosta lianna anoe hese disoendakeunanana, koe emutan – sanadjan ngan pikeun saheulaan – sae dianggo basa Walanda atanapi basa kostana tea.
II. Bab nganggona
  1. ketjap-ketjap anjar anoe djaradi sorangn anoe teu aja ngagasroekna langkoeng sae ladjeng dianggo ka tengah bae.
  2. ketjap-ketjap anjar anoe kenging ngadamel sapertos atoeran anoe bieu di loehoer,ieu oge kenging ladjeng di anggo bae.

Ketjap-ketjap anjar kadjabi anoe ditataan bieu, koe emoetan mongtong “waka” di anggo ka tengah.

Oepami aja basa anjar anoe katinggal pikasakiteun basa soenda, oelah di kadjeunkeun, perlu kuurang di halangan ulah dongkap kalebet kana kasoesastran. Malah oepami katimbang koe sadaja katjida matak djadi hamana mah teu aja pambenganana dipaehan bae sakali.

Nanging oepami engke di akhir katinggal eta basa anoe datangna salah djalan atanapi anoe tadi di sangka teki noe matak keri kana basa teh bet djadi basa enjaan, soeroep kana tangtoeng soenda, pikeun djisim koering pribadi teu aja pangembangannana, oepami eta ketjap ditjandak ka tengah.

Ari anoe henteu kitoe mah keun bae antep sina djadi basa paminggir.


Panoetoep.

Naon pidameleunana oerang ngoelik Basa Soenda?

Naon geura, naon ?

Rek daek mah ngoelik basa, anggoersi ngoelikbasa Walanda aja karasana etamah geura. . . . .

Eta kasaoeran moal di djawab da moal aja paedahna nadjan didjawab dongkap ka imeut oge di terangkeun. Boektina noe njarita sakitoe ngagalantangna, mantoenkeun basa bet anggeus noe njarita, pok noe mariksakeun: naon gunana diadjar Basa Soenda. Asa angger bae tjara tadi samemeh moeka tjarita. Tjarita sakitoe pandjangna teh taja pisan tapakna sigana. Mana kitoe oge batur ngaler koering ngidoel.

Ajeuna mah anggur oerang njarioskeun deui Bab Basa sareng Poesaka-Elmoe.

Basa sareng Poesaka-Elmoe doeanana poesaka titingal karoehoen, poesaka anoe pang sutji-sutjina, margi nja didinja ” poeseurna hiroepna “ hidji bangsa. Nja eta “ daja “ anoe ngetjlak tina erohna bangsa oerang , nja didinja tjitjingna “ langgeng “ bangsana.

Pendekna Basa sareng Poesaka-Elmoe teh...... pangatjianana bangsa.

Kamadjengan hidji bangsa kakara moelos sareng loehoeng, oepami noeroetkeun koedratna, soeroep kana tangtoengna, ninggang kana bakat wawatekanana merenah kana rasana.

Hidji bangsa tiasa disoeroepan ngan koe mapaj basana. Elmoe sareng harti anoe di asoepkeun ka hidji bangsa kakra tiasa djadi koelit djadi daging eta bangsa. Oepami dilebetkeunana koe basana eta bangsa.

Hidji bangsa anoe djero basana, pepek sareng terang mawana harti, eta bangsa tanggoeh sareng padang atina. Nadjan ajeuna masih hina harakatna, tangtos kapajoen mendak kaloehoeran.

Saoer toean-toean anoe palinter :

„De taal is gansch het volk”.1)

Aja deui anoe sasaoeran kieu:

„Een volk, dat zijn eigen taal weet te behouden is tegen alles bestand”.2)

__________

1) Congres voor javaansche-cultuur- ontwikkeling, bundel I, katja 12

2) Djawa, Extra- nummer, 4 september 1924, katja 14, kolom noe sabelah tengen. [ 81 ]Ieu kasaoeran, anoe pandeuri mah aja tjontona anoe ajeuna keur kadjadian, nja eta lalakon bangsa jahoedi, anoe 2000 tahoen lamina ngalalana, oeprak-oprek ka oenggal nagara, teu boga dajeuh maneuhbandjar karang pamidangan, sok sumawonten radja mah.

Kagadoehan anoe djadi ageman pamoehitanana moeng basa Ibrani sareng Poesaka-Elmoena.

Saha anoe nginten?

Ajeuna gening bet kebo moelih pakandangan. Boga deui dajeuh maneuh. Palastin ngadeg deui.

Tah sakitoe koeatna basa teh, sakitoe ngabajoeanana ka noe bogana. Nadjan hina nadjan nista, hiroep njiroeroek di lemboer batoer, artina tegoeh pantjoeh.

Kiat ngalakonan sangsara doea rewo tahoen.

Naoen margina ?

Margi basa sareng poesaka-elmoe teh “pangatjianana” bangsa. Oepami masih koempoel pangatjian moal lesot eling, tara poho di diri pribadi. “Njaho ka diri pribadi” teh, boh djelema boh bangsa, sami bae perloena. Tingali bangsa Jahoedi!

Nanging di oenggal bangsa oge kedah aja bae ari “djelema djalir” mah, dalah di bangsa Jahoedi oge tangtos aja; di bangsa oerang oge nja sami bae.

Henteu kirang-kirang di oerang anoe pameunteuna tetela pameunteu Soenda, ngakoena ngakoe Soenda, teu akoe-akoe angga ka walanda. Ana galantang sasaoeran Walanda nja perteges Soenda, nanging ari mamanahan karesep, katingkah-tingkahna tampolana mat toean titiron, aanoman alam ajeuna; nepi ka saoer djoearagan Prawira Winata mah magahkeun teh “Soenda sisirangan” doemeoh eta saoerna: bet salira sisirangan sareng pakarepan.

Ari tjeuk sobat koering oerang goenoeng mah, madjarkeun teh, eta mah pamojok oerang dajeuh, da ari tjek boeloe taneuh mah “ soenda saeundan “ noe kitoe teh.

Nanging ari pamendak djisim koering pribadi mah : djamak djelema anoe keur kapelet koe deungeun mah sok kitoe.

Engke oge eling!

Djoeragan-Djoeragan!

Hal “adegna Basa Soenda” parantos didadarkeun;

Hal “ngadamel sareng nganggona ketjap-ketjap anjar” parantos di pedar.

Hal goenana basa keur noe bogana kapan parantos ditjarioskeun saeutik-eutikeun.

Ari parantos kitoe, djoeragan oeninga koe andjeun, jen basa soenda teh tatjan kasebat madjeng, ari hamana kapan sakitoe napoekna.

Tah! ajeuna bade tumaros :

Koemaha pikersaeuh teh, bade keun bae basa oerang teh sina tjarem?

Asa pirakoe sugan nepi ka dialam doenja kedah aja hidji bangsa anoe estoe ngahaja noempes maneh ? Sabab oepami bangsa tjarem, bangsana oge nja moesna ti rengrengan bangsa. Bet abong-abong kedah sagala aja. Tjik atoeh oelah dipenta koe oerang milik kitoe mah.

Mangga maranahan bade koemaha ajeuna pikersaeun ?

Naha tatjan tjoendoek kitoe waktoena kana ngadegkeun pagoejoeban ngaraksa sareng ngolah Basa soenda?

Parantos meudjeuhna?

Atoeh soemangga oerang adegkeun!

Deg! Sastra Winangoen!!!

Geleger! genter-paterna . . . . njakseni ngadegna Sastra Winangoen!


Mr. Cornelis, September 1924.


Pangadjaran basa di sakola priboemi.

Pre-advies

Soeriadiradja.


Dina mangsa sakieu objagna oerang dieu ngoedag pangadjaran basa Walanda, sarta sadaja pada oesaha sangkan para poetrana tarabah kana basa Walanda, woeri-woeri ajeuna koering rek njaritakeun perloena oerang priboemi diadjar basana, manawi aja oge anoe nganaha-naha, malah [ 82 ]moenasabah oepami aja anoe njebat mahiwal ti biasa oge, nja eta lantaran arandjeuna asa disoro pangabogoh, katjotjeng kahalang-halang kahajangna. Oepami ningal kana kaharojongna dina sanalika ieu mah, kapan mun sok nalika tamat basa Walanda maroerangkalih teh, basa poesakana mah teu pisan dihiding, nadjan tei ka teu ariasa pisan oge, kawas moal aja matak handjakalna.

Anoe karagoengan maranah kitoe teh, sanes doeaan tiloean, parantos patengah moenggoeh di nagara mah, boekti parantos seueur anoe tjoel pisan teu mirosea basana, da katoengkoel kapintjoet koe basa Walanda. Ari lantaranana pang tjoel pisan kana basa soenda tangtos koe sadaja oge kamanah, nja eta babakoena tina ningal harga basa Walanda tea. Anoe bisa basa Walanda leuwih mahal tinimbang anoe teu bisa. Tapi naha ari adjen loehoer handapna djelema teh ngan beunang di taker koe bisa basa Walanda wongkoel?

Dina njarioskeun perkawis harga anoe teu bisa basa Walanda, koering rada ngaheunggeu, lantaran boekti teu beunang disingkirkeun, katinggang koe enja, mapaj sangka anoe rea, kitoe soteh ngan dina harga boeroeh. Tjontona, ngabandingkeun eta bae harga Kleinambtenaar eksamen sareng kaloearan Normaalschool. Di dieu tetela, nadjan rea deui sabab-sababna anoe sedjen oge, bedana harga teh siga hargana basa bae woengkoel. Sabab koering terang leres diploma K.E. teh henteu aja saparona ti N. S. loehoer, ngan beda basa.

Tapi koering moal pandjang tjarita tina perkawis eta didieu mah, da babakoena harga anoe ditoedjoe koe koering mah pangadji loehoer handapna, lain mahal moerahna.

Koe lantaran ajeuna basa oerang teu atjan ka loehoer, atoeh djadi hidji lantaran kana perloena oerang nembongkeun goenana basa oerang, sarta nembongkeun jen hiroepna akal koe basa oerang saroea djeung Walanda koe basa Walanda, da saenjana adjenna mah oelah noeroetkeun patokan basa, da basa mah ngan djadi djalan.

Lain pisan koering rek ngabendoeng tjihaliwoeng megatan kahajang anoe rea da terang jen basa Walanda teh perloe lian ti ngoedag harga teh djeung djadi djalan ka loeheor deui. Tapi ari tjeuk kuring mah perluna teh lain pikeun ngaganti adeg, ngan sakadar pikeun pakarng oesaha neangan pangoepa djiwa, meunangkeun elmoe kaeropaankeun.

Ari basa Poesaka eta mah wanda oerang, adeg oerang, basa Walanda mah minangka poelanana (papaesna)

Djadi nadjan boedak disakola Walanda atawa H.I.S perloe ari diadjar basana pribadi mah, pikeun tatali pakeeun ana geus teu tjitjing di sakola, sabab nadjan sakola di sakola Walanda ari bidjilmah engke gegedena ngahidjina djeung bangsana make basana moal saendengna aja di kalang kawalandaan.

Lamoen rek tetep onaman di lingkoengan kaeropaan tea hartosna leupas tina kalang kasoendaan biloek tjampoer ka ditoe, nja nadjan matak handjakal oge tepi koering teu bisa koemaha, da enja eta mah meureun kitoe piperenaheunana.

Ajeuna rea keneh kaloearan sakola Walanda anoe ariasa basa soenda, da di boemi ramana tadi sasaoeran soenda, djadi basana bekel keur leutik, katambah loeang sakasampeurna. Tapi oelah diandelkeun eta kaajaan lakoe ning biheung kitoe teh perlu oerang boga tjekeleun, nja eta pangadjaran basa di sakola; mangkaning di boemi anoe palinter ajeuna geus rea anoe teu ngaranggo basana nadjan koemboeh keneh djeung papada Soenda, lantaran kalindih koe basa Walanda tea.

Atoeh ari kitoe mah engke kadjadianana matak moendoer slelemboer, da noe pinter pindah kalang kaloear ti oerang, Soenda tinggaleun di handap.

Lantaran kagendam koe basa Walanda, atoeh baheula koe basa Djawa,kawoewoeh hentoe oeninga kana enasna basa kagoenganana, maroekankeun ari basa teh ngan oekoer keur boeboeroeh bae, nepi ka aja goeroe anoe sasaoeran kieu:

„keur naon di sakola Soenda make diadjar basa Soenda, natamboeh bae waktoe, da basa Soenda mah teu aja [ 83 ]pigoenaeunana, teu aja pihargaeunana, sakalieun keur ngomong baé mah, teu koedoe maké diadjar, di imah ogé geus bisa. Geuning oerang kampoeng teu boeroeng barisa tjarita, toer teu sakola-sakola atjan. Anggoer éta waktoe anoe dipaké ngadjarkeun basa Soenda téh, paké ngadjarkeun basa Malajoe, atawa basa Walanda, ambéh mangpaat nambah kapinteran moerid!”

Aja deui anoe sasaoeran kieu:

„Naha aja andar, oerang Soenda maké sina diadjar basa Soenda, aboes kana paribasa: mapatahan naék ka monjét, ngawarah ngodjaj ka meri”.

Roepina éta anoe salasaoeran kitoe teh, bakating koe teu oeninga di boengkeuleukanana basa. Dina panjangkana manawi basa téh barang loemajan, henteu dipapaj jén basa téh saenjana wanda salirana anoe njarita sarta djadi adegna pisan deui. Naha éta anoe djadi tangtoeng, anoe djadi loeloegoena pisan téa bet disieuhkeun dilain-lain, nepi ka henteu koedoe dipiroséa. Ningal ka dieu, djadi perloena diadjar basa téh mimiti geusan ngawawoehkeun djeung anoe kagoengan, naék kana keur ngahiroepkeun anoe djadi ocetoesan soepaja adjeg tangtoengna, (Katranganana anoe langkoeng tétéla tingali engké di handap).

Anoe henteu kénging pangadjaran basa, koe sadaja ogé tangtos kaoeninga, jén moal tjoekoep basana pikeun kaperloean pakéeun ajeuna; geura anoe henteu diadjar mah dina tjarita anoe rada pandjang, dina perloe koedoe nerangkeun, dina saniskanten baé tjindekna, tétéla toenana henteu njoemponanana kana bisa basa geusan hiroep koemboeh; dalah éta anoe sasaoeran madjar geus bisa basa tjara monjét naék, ana diseser ditanja dienja-enja mah nja ngoeak-ngioek. Ieu mah pang sasaoeran kitoe téh, taja lian ngan tina bakating koe toemamoe, teu wawoeh-wawoeh atjan sareng basa téh.

Sangkan loma sareng basa téa, taja lian ngan kedah diadjar. Ari diadjar teh lain ngan toekoeh koedoe di sakola baé, rea geusanna aja sababaraha djalan. Ngan di dieu anoe koe koering arék didadar, babakoena pangadjaran basa di sakola.

Naon ari basa?

Ajeuna oerang tjandak hartina djeung goenana di sagala bangsa baé, montong di sagala bangsa baé, montong di Soenda woengkoel.

Basa teh moenggoehing tjangkangna mah ngan roentoejan omongan, soesoenan ketjap noe poegoeh hartina, djadi pakakas anoe matak kaharti koe batoer.

Nja éta sora anoe djadi parabot geusan méré njaho, karep, kahajang, panitah, panjarék, sangkan kahartieun koe batoer; djadi lebah dieu mah saroea djeung peta ngan koe sada, anoe langkoeng tétéla, nja éta ketjap téa ngaranna.

Oepama oerang ajeuna ngan njokot harti éta baé woengkoel, naha enja sora peta téh, geus tjoekoep koe bawa ti indoeng? Éta ogé tangtoe atjan, da di imah mah, warisan ti indoeng woengkoel, henteu njoemponan hiroep oerang djeung batoer; réa pisan anoe teu ara kadéngé ti indoeng ti bapa ti doeloer, ti batoer salemboer, anoe perloe dipaké ngomong djeung djelema noe lian, anoe bakal babarengan djeung oerang, da ajeuna alam liar teu oeloekoetek di imah téa. Djadi nadjan harti ngan oekoer kitoe, koedoe ari diadjar mah.

Geura apan ari di imah mah ngomong téh ngan saroepa baé, salelewek imah téa, ari prak njarita geuning bet roepa-roepa.

Toeroeg-toeroeg apan koedoe kaharti téa koe noe lian, djadi perloe njaho hidji basa anoe djadi pangaboga saréréa, di Soenda nja basa Soenda, anoe koedoe diadjarkeun di sakola.

Njarita di imah ngan koe saketjap doea ketjap baé geus tjoekoep, tapi ajeuna aja kaperloean pikeun njarita pandjang, koemaha akalna?

Taja lian ngan koedoe diadjar, soepaja roentoejanana, éntép seureuhna djeung ketjapna pisan, noeroet galoer anoe sapoek djeung batoer.

Eta sababna noe mawi oerang ajeuna di dieu nangtoekeun basa mana noe koemaha anoe koedoe diakoe koe saréréa, da sok pasalia pamendak ana teu dihoesoeskeun mah. Tjontona:

Koemaha dihoekoemanana harti ketjap-ketjap: séréd, tjombo, kikiping, ngagoeligah, silanglang dj. s. t. [ 84 ]Tah nadjan ngan dianggap pakakas tjarita, tapi Iamoen dioengkab goenana diadjarkeun, enja-enja ngadjarkeunana, èstoe lain loemajan.

Dina makèna basa, nadjan geus teu karasa deui tina bawaning biasa, tapi di dinja aja ngatoer, merenahkeun, milih, mapaès, ngahiroepkeun, gemi ombol djeung tjètèk, teroes digawè teu eureun; sakitoe ngagolangkeunana kana hiroepna akal hiroepna ati djeung oeteuk basa tèh.

Saoer prof: Schrijnen pangajaran ngagoenakeun basa tèh sadjalan djeung ngalalanjahan kana èkonomi. Ngeureut mitjeun bisa kaadjar koe goenana basa.

Hiroep paèhna ati bisa kahoedang koe basa.

Papaès djeung pangrèka datang tina hiroepna basa.

Salang soeroepna hiroep ogè aja anoe diatoer dina basa.

Djeung sadjaba ti dinja.

Saha noe bireuk ka Djoeragan H. M. Moesa?

Koemaha kadjembaranana kana basa?

Koemaha kadjembaranana, kapinteranana sadaja pada ooninga.

Naha ieu henteu kedah djadi toeladan?

Oepama koe orang dipapaj, hidji bangsa moal aja Cultuurna lamoen teu aja basana. Basa anoe ngagelarkeun cultuurna kunstna djeung oenak-anikna bangsa.

Basa teh cultuur bangsa anoe pangpangna, anoe pangmoendelna, anoe djèntrè nembrès jadi gambarna èta bangsa, loehoer handapna bangsa tingali raratan basana.

Ajana cultuur nja koe basa, dina basa deui.

Woeri-woeri ajeuna disapirakeun kabajahkeun koe noe teu sabaraha, atoeh saroea djeung ngalainkeun ka diri sorangan.

(Katrangan ieu anoe langkoeng paos, tingali dina praeadviesna Radèn Poeradiredja).

Ari kana basa rèa anoe henteu ngarasa miboga, rèa anoe boga rasa teu boga-boga atjan malah, bakating koe deukeut-deukeutna djeung anoe bogana, da apan biasa ari boga mah koedoe ka anoe misah.

Lantaran teu aja rasa kana boga basa tèa, djadi teu oeninga naon anoe koedoe dipiboga, toeloejna kana teu oeninga kana naon anoe koedoe diraksa, naon anoe koedoe dipadjoekeun, atawa naon anoe koedoe diadji. Toeroeg-toeroeg hèsèna teh apan ngadji anoe ngadji deui.

Nalika Toean Holla njarios, ka hidji Boepati, njarioskeun Djoeragan H. Moehamad Moesa keur ngadamel boekoe basa Soenda, èta Boepati ngawaler kieu: „Moal enja toean aja anoe bisa njieun boekoe basa Soenda, sebab omong Soenda itoe boekan basa!” (Tingali Tijdsch. Bat. Gen.).

Kantenan pisan ari sangka anoe doegi ka kitoe mah ajeuna parantos moal aja kawasna, da boekoe parantos sakitoe rajapna. Nanging ari anoe teu atjan loma kana basa mah, èmoetan djisim koering rèa kènèh, sanadjan èta basa dianggo sadidinten ogè; pangna teu loma sareng basana nja èta tina lantaran ngahidji sareng anoe nalingakeunana, biasa ari awas mah sok ka noe angang.

Geura, èta baè toemerapna rasa kana tempat, saboetoehna, ana teu atjan kageuing mah, teu oeninga di saè awonna da tara dipirosèa tèa. Tjontona; oepami mariksa ka oerang Priangan; naon kaaloesanana tanah Priangan, naha enja Priangan tèh bagian alam anoe aloes?”

Djisim koering wantoen nangtoskeun, jèn anoe piiasaeun ngadjawab tèh moal téa, da anoe ngaraos aloesna alam di Priangan tèh, teu oenggal oerang Priangan. Malah kawas aja anoe bakal malik naros: „Naha naon aloesna, bagian alam anoe mana anoe diseboet aloes tèh?”

Pada hal kapan koe anoe lian mah kataringali, jèn kapoendjoelanana Priangan langkoeng ti bagian doenja noe lian tèh, lain loemajan. Nja kitoe, kana basa ogè teu kaoeninga koe tjaketna.

Dina basa Walanda aja paribasa: Onbekend maakt onbemind. Tah, lantaran teu atjan wanoh tèa, pang henteu pati mirosèa, henteu mikanjaah, teu mikalebar kana basa tèh.

Ocrang Soenda tangtos ari ariasa mah sasaoeran Soenda, tapi anoe loma, sarta atra kana boengkeuleukanana, kawasna teu atjan rajap. [ 85 ]Koe lantaran teu loma tèa, djadi teu kaoeninga pigoenaeunana, teu karaos mangpaatna, sarta teu lebar koe roeksakna.

Pikeun ngadjagi kaaloesan alam, parantos aja pakoempoelanana, sangkan oelah aja anoe ngaroeksak. Nanging kaaloesan basa teu atjan aja anoe ngaraksa. Eta margina djisim koering sakalian oendjoek oeninga, jèn aja pakarepan badè njaloeoeh ka Java-Instituut, soepados Java-Instituut ngadegkeun Sastra-winangoen, anoe maksoedna kana pamoemoelè basa. (Ieu perkawis, koe djisim koering baris ditjarioskeun engkè ti pengker).

Tadi koe koering parantos ditjarioskeun jèn aja anoe njebatkeun basa Soenda mah henteu perloe diadjarkeun, margi henteu aja goenana, atanapi mapatahan ngodjaj ka meri. Aja deui anoe njebatkeun lain basa, atawa basa miskin teu beunang dipakè njaritakeun èlmoe teu beunang dipidangkeun.

Eta sangka anoe kitoe matak ngalantarankeun kana tjèblèhna pangadjaran djeung noe diadjarna.

Ka anoe njebatkeun basa Soenda lain basa mah geus teu perloe diperangan deui, da koe ajana anoe njarita ogè parantos kapeupeuh.

Perkawis njarioskeun goenana diadjarkeun, sami baè sareng moegoehkeun perloe henteuna AJA basa Soenda, keur oerang Soenda, margi oepami henteu diadjarkeun mah sami sareng badè dibasmi sina moesna ti doenja.

Kapan boekti ajeuna ogè, tjatjakan masih kènèh aja pangadjaran, parantos rendang anoe geus teu pati taram-taram kana basana koe andjeun, komo oepami henteu diadjarkeun pisan, atanapi henteu enja-enja diadjarkeunana mah, mangkaning hama pangroeksak basa parantos sakieu narampeuna, sakitoe ngarangsegna.

Tjontona:

Hidji goeroe kaloearan Kweekschool Bandoeng ngadeuheus ka hidji Boepati, pokna: minta bitjara basa Melajoe sadja; sanès lantaran teu daèk metakeun tata, tapi lantaran teu timoe basana, pada hal andjeunna djadi goeroe di sakola Soenda (sakola klas II).

Hidji istri kaloearan Mulo, di dieu pisan di Bandoeng, sasaoeran Soenda ka noe sanès, pokna:

„Euleuh, awèwè keur ngalindoer di sawah!”

Istri èta kénèh sasaoeran kieu: „Eta mah daging tèh aja kimpoel!

Aja deui tjonto anoe anèh. Aja hidji goeroe ngadangoe hidji nonoman kènging perkawis; koe andjeunna ditaroskeun ka hidji sepoeh, saoerna:

„Saha ari èta tèh?”

Saoer anoe ditaros: „Emang mah kapi alo kadinja tèh!”

Ana ditèmbal koe anoe naros: „Paingan!

Sepoeh morongos, djoeragan goeroe merengoet da teu kahartos, naha bet ki sepoeh bendoe! Horèng pahili paingan sareng koetan!

Pirang-pirang tjonto anoe sanès anoe teu perloe ditjarioskeun di dieu, roepi-roepi kalepatanana. Eta aja saleuheung ngan oekoer lepat, koemaha ari anoe njamos pisan?

Ana Soenda geus teu basaan, atoeh sanes Soenda pingaraneunana. Leuheung meueus oepami rampag mah sadaja kitoe, nja manawi panarik kahajang alam, ari ieu mah da henteu, ninggangna di sarosopan tèa.

Oepama oerang geus atra kana boengkeuleukan basa, sarta oeninga jèn basa tèh kedalna rasa, pepetèn poesaka èlmoe anoe pinoeh koe koentji pamoeka akal, sarta teu aja anoe kedal tina goedang sanoebari anoe teu dibawa koe basa, asa sageuj oerang rèk ngamomorèkeun kana pangadjaranana. Margi teu aja hidji pangadjaran atanapi hal anoe teu kakotjorkeun koe basa, sareng sawangsoelna teu aja palajangan sanès anoe nepikeunana ka oerang teu kalawan perbawa basa. Nja basa anoe tjakah-tjikihna ka loear ka djero.

Koe basa oerang bisa ngalemeskeun rasa, koe basa oerang bisa ngadjembarkeun manah, koe basa bisa golang alal. ( [ 86 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/28 [ 87 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/29 [ 88 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/30 [ 89 ]sing loma enja mana basa anoe kedah dianggo.

Tabah kana rasana basa, Kedah aja taalboek, anoe ngabakoe. Tingali boekoe ,,Basa Soenda""

Atra kana basa sareng kana kaaoesastranna (Taal en Letterkunde), njandak tina leesboek, tina Bibliotheek. oenak-anik basa (maamanisna, kawih, dangding, sisindiran, tembang sareng sadjabi ti eta). asa patalina sareng adat (Volkenkunde). Roepa-roepa oengkara basa. sareng sadjabi ti eta.

Henteu perloe pisan di sakola goeroe diadjar basa anoe djarero, mapaj basa-basa, atawa tjoektjroekan-tjoektjroekan anoe laloehoer, da moal kabedag. Ngan anoe djadi goeroena di sakola goeroe emoetan koering kedah langkoeng beunghar langkoeng loehoer ti pamenta anoe djadi goeroe.

Koemaha ari di Kweekschool ajeuna? tangtos moal tiasa laksana kahajang, ...a alangan koe atoeran


. ...sa priboemi ilaharna kateler-teler teu ..eu aja atjan goeroe basa apan ajeuna ...alah ningal boekti ajeuna mah aja ..a.. digowéng basa Soenda sareng basa ..wa, diadjarkeun koe anoe ngan tiba .. ramang, da poegoeh geus aja poe... ..aoen henteu ara sasaoeran Soenda. ..mi teu kitoe dipihapekeun ka goeroe g.. us beurat koe papantjen sedjen. .... aja anoe pot pisan henteu rek ...e pangadjaran basana, sapertos di ..ek school Goenoeng Sari (Soepsidi). ..g saena Directeurna oeninga dikawa.. ..n, nja disangga koe Java-Instituut.

...n..al kana koemisi eindeksamenna, t.. aja elid anoe baris mariksa basa ..emi mah. Naon margina anoe mawi ... keun teuing basa priboemi teh? ...o margina pangkat goeroe basa di a goeroe sareng di sakola menak dileungitkeun. ... parantos ngarandapan djadi goe.. ..asa di sakola menak atanapi sakola ..e tangtos ngaraos banggana ngadjalankeun kahajang sangkan pangadjaranana aja pangadjina. Ana teu aja kateresnaan anoe djadi direktoer, kana basa. priboemi mah, lapoer, goeroena kantoen seunggah anoe aja; djadi madjoe moendoerna teh saneh koe atoeran anoe tangtoe, ngan koemaha direktoerna. Nadjan aja ringkoekna oge atoeh, ari teu diadjian mah, nja moal aja kamadjoeanana, da moenggoeh moerid mah kari koemaha anoe ti loehoer.

Koe margi eta pereloe aja oegeran toetoerkeuneun anoe ngadjalankeun.

Sakoemaha anoe tadi parantos ditjarioskeun, jen kawadjiban goeroe basa teh kedah ngadjar pigoeroeeun, atawa piamtenareun anoe perloe deui tabah enja kana nganggona basa, djadi tangtos pisan goeroena kedah anoe langkoeng asak. Ari djalanna anoe parantos katingal sareng karaos koe djisim koering, taja sanes ngan eta pigoeroeeun tea, kedah kenging pangadjaran deui anoe langkoeng ti di Kweekschool, pikeun nambah elmoena. Koe margi eta koering gadoeh panoehoen kasadajana, soepados keurseus goeroe basa anoe oemoerna nembe sataoen geus leungit deui kasabet koe bezuiniging tea, disoehoenkeun deui ka Pamarentah.

Perkawis pangadjaran basa di Normaalschool sareng di OSVIA koe koering moal ditjarioskeun deui, da moal sakoemaha bentenna sareng di Kweekschool tea. Tangtos pisan ari di N. S. mah langkoeng loehoer.

Perloe kaoeninga deui, saha ajeuna anoe nalingakeunana ari pangadjaran basa di V. I. O?

Kadjabi ti ningali anoe bieu, pikeun ngadangdosan pangadjaran di V. I. 0 teh, tengtos pisan oerang kedah mapaj pangadjaran di H. I. S. sareng di sakola klas II.

Pangadjaran basa priboemi di H. I. S. Saparanitosna sakola klas I diobah djadi H. I. S. basa priboemi di eta sakola katjida kasedekkeunana koe basa Walanda. Asal basa loeloegoe ngan djadi basa panambah. Koe robahna kitoe, djadi ngagedekeun basa Walanda tea, nja henteu matak handjakal, da poegoeh pamenta oerang, [ 90 ]sanadjan oerang njaho jen saenjana eta teh henteu bener pisan, ari tjeuk elmoe atikan mah; tapi lantaran ngingetkeun kaperloean, sarta tjeuk saajeuna mah koedoe kitoe, oerang teh kapaksa koedoe narima. Tapi sanadjan oerang narima kana kitoe oge, ari basa priboemi mah hajang oelah diapi-lainkeun teuing, nja eta tina terang pigaweeunana tea. Soemawonten ningal boekti ajeuna-ajeuna ieu mah, moerid kaloearan. H. I. S. geus teu rewak sapertos opat lima tahoen kapengker, beuki katingal perloena di H. I. S. kedah rada ngadjenan basa priboemi langkoeng ti anoe parantos-parantos teh. Tapi lain pisan koering boga pamenta pangadjaran basa Walanda dikoerangan mah, da eta oge perloe. Djadi panoehoen teh hajang basa Walanda matak bisa, basa priboemi oelah kaloeli-loeli. Ana ngan tabah basa Walanda woengkoel, tjoel basa asalna, atoeh oerang Soenda anoe rea kaleungitan palajangan. Da meureun ana ngan bisa basa Walanda bae mah, njaritana ngan ka Walanda (anoe pada bisa basa Walanda deui), koeroeng-koerangna ngan koe basa Walanda, anoe beunang ngala ti Walanda ngan oekoer tepi ka salirana, moal bisa ngotjor ka bangsana. Naon kabageanana ari djelema rea ti andjeunna anoe boga hak koedoe nampa tea deui? Mangkaning anoe rea tea anoe perloe moeloengan elmoe ti anoe ariasa basa Walanda teh, da batoer mah teu kabagean pertegesna.

Koe margi eta, moerid H. I. S. anoe bakal djadi bibit panoengtoen bangsa, emoetan koering langkoeng ti pereloe diwadjib-keun bisa kana basana deui, lian ti basa Walanda teh, soepaja engke di mana datang ka, sakola anoe langkoeng loehoer, ngan kari ngasakkeun, henteu koedoe ngabakalan deui.

Tangtos pisan loehoerna sareng atoeranana pangadjaran basa Soenda di H. I. S. teh, moal tiasa disamikeun pisan sareng di sakola klas II, da ari H. I. S. mah sakola tjalon sakola deui.

Nilik kaajaan ajeuna, tebih naker tina pangharepan, da moerid H. I. S. teh ngan oekoer tepi kana diadjarna. Bisa henteuna mah henteu djadi oedagan. Boektina nadjan goreng basa Soenda, ari aloes basa Walandana mah teu matak djadi tjarita, sawangsoelna anoe madjoe basa priboemina, ari koerang pertegesna mah oelah boga pangharepan hajang naek kelas.

Geura mangga manah, koemaha teu matak bingoeng ka anoe djadi goeroena, sareng koemaha bade diadjenanana basa priboemi teh koe moerid?

Ningal waktoe ngadjarkeunana sakitoe saeutikna,, di kelas 5 dina saminggoe 5 djam, di kelas 6 saminggoe 4 djam, di kelas 7 mah komo ngan sadjam pisan saminggoena, ieu teh matja, ngarang, pangadjaran basa, sareng samaktana.

Pantes pisan rek henteu aja njangsangna teh di moerid, da teu kaoer napel balas laas koe kaanginkeun.

Djisim koering doea welas taoen, lamina djadi goeroe basa di sakola menak sarta ajeuna ngabantoe djadi goeroe di Kweekschool, terang leres di pangarti moerid kaloearan H. I. S. tina perkawis basa, sarta lantaran tadi samemehna salamina djadi goeroe di sakola klas I, djadi tiasa nangenan koemaha bentenna, sareng sakoemaha moendoerna beubeunangan baroedak ti eta doea roepa sakola, tina hal basa, baheula sareng ajeuna.

Nanging teu tiasa njalahkeun ka boedakna teu tiasa nempoehkeun ka goeroena, da poegoeh salahna teh aja dina atoeran. Koe margi eta teu aja sanes ngan atoeran anoe kedah disaean.

Di H. I. S. oge pangadjaran basa teh meh teu katalingakeun. Doegi ka aja anoe dina lebet 10 taoen ngan kakara dipariksa (diinspektie) doea kali, nintjak lima taoen sakali. Oepami oerang hade rea omong, meureun hajang njaho di sababna: Naha pang tara dipariksa teh bawaning koe pertjaja ka goeroena, atawa bawaning koe diapi-lainkeun tea!

Anoe djadi goeroe basa priboemi di H.I. S. (le Inl. Ond.) aja anoe njarita kieu ka koering: ,,Kabita, ari ningal goeroe Walanda diinspektie koe Inspektoerna, reh lian ti kaoeninga beubeunangan digawe teh, eta koe djeung meunang jetding" deui. Na ari ninggang di bagian basa priboemi, eukeur teu bisa meunang [ 91 ]panoengtoen teh, koe langla-langla atjan dilajadna oge!"

Naha eta atoeran anoe kitoe, henteu kedah di omean?

. . . . . . . . . . . . . . .

Perkawis perloena pangadjaran basa di Mulo, nja sami bae sareng di H. I. S. tea, perkawis ieu koe koering moal di pandjangkeun, da goenana apan tadi parantos ditjarioskeun.

Koemaha ari di sakola Hakim, perloe diadjar basa Soenda.

Emoetan koering anoe djadi hakim di Soenda, leuwih ti pereloe iasa basa Soenda, sabab apan pamariksaan teh koedoe koe basa anoe dipariksa ari keunana pisan mah; da ari koe basa salinan mah moal nembres pisan, sarta bisa djadi aja anoe soelaja salinanana atawa lisanna beda tina teretet atina.

Mangkaning perkara hoekoem!

Koe margi eta perloe oerang soehoenkeun ka Pamarentah, soepaja di sakola hakim diadjar basa Soenda, sarta goeroena koedoe anoe boga doea roepa sipat: 1 anoe pinter kana elmoena, 2 anoe pinter kana .....rakna.

Di sakola Hakim loehoer kawas kana tangtos aja basa Soenda, da geus aja Profesorna.

Pangadjaran basa di sakola desa sareng sakola klas II.

Samemeh djisim koering njarioskeun pangadjaran basa di sakola priboemi, djisim koering bade mintonkeun heula hidji artikel tina Reglemen sakola Walanda, noe oengelna kieu:

Artikel 2. De Directeur van Onderwijs, Eeredienst en Nijverheid stelt het leerplan ..er scholen vast, met inachtneming der volgende beginselen:

le Het onderwijs in het spreken en chrijven der Nederlandsche taal staat in alle klassen op de voorgrond.

2e , Het onderwijs in de overige leervaken wordt zooveel mogelijk dienstbaar geinaakt aan de bevordering van de kennis der Nederlandsche taal.

Dina eta artikel atra katingali, jen di sakola Walanda mah anoe koedoe djadi loeloegoe pangadjaran di oenggal kelas teh basa Walanda, noeliskeunana sareng ngalisankeunana, sarta pangadjaran anoe sanes masing djadi panoeloeng kana kamadjoeanana eta basa.

Sakoemaha anoe tadi di loehoer koe sim koering parantos ditjarioskeun, jen. basa koedoe djadi poko sarta koedoe djadi dadasar pangadjaran, ajeuna kateroesan pisan koe oengelna artikel dina oendang-oendang sakola Walanda; moeng handjakal eta artikel anoe kitoe henteu dianggo ari di sakola priboemi mah.

Oepami koe oerang dimanah leres-leres, ajana eta artikel teh, estoe merenah sarta ninggang enja kana djoedoelna pangadjaran.

Tangtos pisan pang ngadamel artikel eta oge, lantaran geus kamanah koe anoe palinter jen kitoe pikoedoeeunana, henteu darapon sok bae. Tapi naha ari di sakola priboemi henteu dianggo katangtoean kitoe teh?

Naha katimbang henteu pereloe atawa henteu goena, ari basa priboemi pikeun oerang priboemi?

Emoetan koering, basa Soenda pikeun ka oerang Soenda, saroea goenaria saroea perloena djeung basa Walanda pikeun ka bangsa Walanda.

Kantenan ari sakola Walanda tjalon sakola deui tea mah, tapi sakola priboemi oge nangtoeng dina basa tjara sakola Walanda tea.

Koe margi di sakola priboemi eta oegeran henteu dianggo, nja kaboeboektianana pangadjaran basa di sakola oerang mah henteu ara kapirosea, mimindengna kabajahkeun koe sesemben anoe saenjana ngan oekoer koedoe djadi panambah.

Loeloegoe kaloeli-loeli anoe lain, dienjakeun.

Masing emoet jen leiding sakola priboemi aja dina panangan bangsa Walanda.

Geura mangga oepami oerang mariksa ka goeroe-goeroe, pangadjaran naon anoe pang dipake karesepna di sakola?

Moal lepat walonna: uNgetang" babakoeona.

Naon margina anoe mawi kitoe?

Lian ti lantaran teu aja oegeran, nja eta saperkawis pedah goeroena pangbisana [ 92 ]kana ngitung mah, moerid diseboet pinter téh lamoen bisa ngitoeng; pangna kitoe katarik koe kabiasaan éksamen di Soenda mah, ngan ngitoeng anoe digedékeun; geus baé sakola ogé kabaoed koe sababna éksamen téa.

Teu aja di Soenda mah éksamen sapertos K.E. anoe ngaheulakeun basa manan soealan téh.

Aja deui anoe djadi lantaran sanés pang di sakola Soenda henteu ara ngagedekeun pangadjaran basa, pohara soelajana sareng di sakola Walanda, nja éta soek noemoetkeun kahojongna anoe mariksa. Tjeuk paribasa téa mah: noeroetkeun ka mana nya déngdékna topi.

Kapan sadaja ogé pada oeninga, moenggoehing di sakola Soenda mah, sagebragan oesoem ngahias bilik, mani reuntjeum bilik pinoeh koe papaés. Ganti djaman, oesoem boenderan, oenggal sakola marelak petétan kembang.

Pindah alam kana karadjinan, oesoem njoengging oesoem ngadjar popolah, oesoem mariksa koekoe, oesoem mitjeunan ali, oesoem bendo sareng sadjabi ti éta.

Nanging djisim koering teu atjan ngoeping, iraha ari oesoem ngagedékeun ngadjar basa?

Numawi saoer djoeragan goeroe: ”saendengna!”

Noehoen pisan, moeng oelah paseloek sareng oesoem édjahan baé!

Nanging kawasna ari parantos ditoengtoen koe Djoeragan-djoeragan school-opziener mah, asa pirakoe doegi ka teu aja oesoem basa di sakola klas II, toer oesoem anoe saendeng-endengna téa deui.

Koe margi di sakola Walanda mah pangadjaran sanés kedah djadi panoeloeng kamadjoean basa, ana prak koe oerang dibandingkeun sareng di sakola klas II nja kantenan katjida béntenna.

Kapan dina ngitoeng soealan ogé di oerang mah aja anoe kieu baé moerid téh ngadjalankeunana: A = ƒ 20 B = A + ƒ 10 = ƒ 30. Djadi A + B = ƒ 20 + ƒ 30 = ƒ 50.

Ari basa anoe koedoe dioedag koesakola klas II, nja éta basa pakéeun éta boedak, ti keur sakola kénéh tepi ka kaloearna, sarta koedoe tamat di dinja.

Djadi ringkesna maksoed pangadjaran basa di sakola klas II téh:

  1. Moerid sing tepi ka boga basa anoe hadé, anoe perloe pikeun ilaharna Soenda, bisa ngedalkeun angen-angenna kalawan bérésna, ngarti bener kana boekoe-boekoe, bari nampa tjarita ti anoe lian.
  1. Bisa ngagambarkeun karepna téa koe basa anoe enja, sarta tabah kana atoeran édjahanana.
  1. Bisa metakeun basa katoet ka tata-tatana, dina gokna tepoeng djeung ménak koering

. . . . . . . . . . . . . . . .

Ringkesna anoe koedoe diadjarkeun di sakola-sakola, nja éta: Basa katoet kasoesastranna (Taal en Letterkunde).

Di sakola handap éta anoe doea roepa téh ngahidji kénéh, nanging di V.I.O. mah kedah parantos sina pada ebréh doeanana, mana anoe asoep kana élmoe basa mana bagian kasoesastran.

Parabotna kedah njandak tina basa anoe geus aja, soepaja kénging dianggo. (Tingali boekoe taalboek Basa Soenda.


Basa moerid

Tangtoe pisan koemboehna baroedak ngabangoen hidji alam, boga rasa keur hiroep di dinja, éta mah moal beunang di halang-halang. boga ketjap indjeuman sorangan, boga babasan sorangan, paranti mojok paranti moedji, anoe teu kaharti koe noe sédjén, éstoe basa djieunna djadi koe paadoe harti djeung kantjana. komo di sakola anoe moeridna geus sawawa.

Oepama oerang ngoeping moerid njarita:

Ah oerang matjok baé. Bihoh eta boedak téh.

(Aja goeroe anoe njangka éta “bihoh” basa enja) dj.s.t tangtoe teu kaharti ari koe noe sedjen mah.

Tapi éta basa kitoe, moal ditjaritakeun di dieu, maksoed koering, rék nétélakeun [ 93 ]basa moerid anoe lian ti éta, nja anoe sok dihaleuangkeun di hareupeun kelas, anoe matak ngoerangan kana pangadjaran basa. Geura dangoekeun ari moerid keur nerangkeun soealan, atawa keur ngitoeng angka koe lisan. Apan ngawih sanés ngomong. Dimana engké baris kapakéna ,,,, kitoe téh?

Pok-pokanana ogé, teu aja di lemboer mah anoe kitoe téh.

Naon margina?

Babakoena, éta anoe ngomong asa ngomong ka sakola, njarita djeung lalangit, lain djeung batoerna lain djeung goeroena, da ana njanghareupan ka goeroe mah dadak sakala robah lagoe robah ketjap ogé béda deui ti tadi. Ari tadi ka saha njaritana?

Engké ari geus kaloear ti sakola, anoe baris dipaké téh tjarita djeung anoe poegoeh djirimna, djongok djeung pada djelema, da ari keur madep ka awang-awang ka oengkoel koe lamoen mah teu aja noe nganjahoankeun, masih rék ngaleu ngalengis ogé.

Djadi di sakola ogé koedoe basa pakéeun .... ambéh teu moebah natamboeh waktoe.

Méngkolkeunana tina kawih kana tjarita taja deui ngan moerid koedoe poegoeh nja njanghareup, goeroe tangtoe nja padoemoekan. Naha goeroe téh bapa moerid, gaganti kolot di imahna? atoeh lagoe, basa djeung pamolahna ogé koedoe tjara ka kolotna téa. Atawa naha goeroe téh minangka ménak, tjara somah ka wadana dina ... distrik? Ieu sok moen tangtoe, koemaha salira goeroe.

Tina bingoengna boedak, saenjana éta ... sakola téh medalna. Lamoen poegoeh padoemoekan mah moeal kitoe. Dina rasana njarita ka bapa, lain; ka batoer, lain; ka ménak, lain; nja toengtoengna madep ka lalangit, da ari di boemi goeroe mah henteu kitoe. Lagoe sakola moal leungit koe panjarék, tapi koedoe koe pangakoe goeroe pileungiteunana.

Basa noe mana noe koedoe diadjarkeun di sakola.

Basa anoe koedoe diadjarkeun téh, basa anoe baris dipaké, basa pakéeun saréréa, nja éta basa Soenda.

Ari kapakéna basa téh: 1 keur njarita djeung ngahartikeun (nampa) omongan batur sa Soenda, boh tina lisan boh tina toelisan:

Djadi lamoen teu bakal digoenakeun ka dinja mah teu aja perloena diadjarkeun ari di sakola handap mah. Di sakola loehoer tangtoe leuwih ti sakitoe.

Ajeuna nepi ka aja basa sakola, lagoe sakola anoe teu ara dipaké di loear lian ti di sakola. Éta éstoe ngaroegikeun na tamboeh waktoe teu poegoeh, pangadjaran anoe moebah pisan. Da ana kaloear baé ti sakola, tjoel ditinggalkeun dina bangkoe, radjeun ka bawa matak ngaroeksak noe aja. Basa sakola noe djadi lain koe pangadjaran, éta mah tangtoe teu koedoe di perangan da teu pati aja matakna anoe ngaroegikeun, moenggoeh oenggal koemboehan sok boga basa tjadangan.

Geura dangoekeun moerid ari keur nerangkeun ka goeroe, ngadjawab pananja, matja, atawa naon baé.

Tangtoe koe oerang kadangoe aja anoe ngaleu ngawih kieu:

1. Huidjui endog harganaaa tiloe seeeeen.

Djadui doea endoog hargaana doeaa kalui tiloe seeeen sami sareng genep seeeeen.

“Ganti!” Saoer Djoeragan goeroe.

2. ieueu anoe ditjepeng koe abdii pesoo. Ieu pesooo ti i keel. Ieu gaga a angnaaa, Ieu tonggongnaaa. Ieu peso seukeut. Ieu pesooo koe abdi disoehoeoeoeoen

Sareng saladjengna.

Tah, di mana éta aleu kitoe, basa kitoe téh kaanggona? Naha henteu sina njarita tjara ka bapana baé sangkan hiroep atina, da dina keur ngaleu kitoe mah kapan éta boedak téh ngalamoen.

Eukeur mah salah methodena, éta peta kitoe téh, toeroeg-toeroeg salah larapna, djadi teu ngalér teu ngidoel, moebah téa ngaranna.

Waktoe moerid kakara asoep, tangtoe kana basa Soenda atjan biasa, ari kanjahona ngan kana basa désana, nja éta sélér basa Soenda téa, komo di sakola désa mah. [ 94 ]Tangtoe mimitina mah koedoe dianteur baé heula sapangabisana téa, oelah kateuhak asa hésé koe basa anjar, ngan goeroe koedoe majat noengtoet ngasoepkeun basa Soenda nepi ka lila-lila moerid boga doea basa, nja éta basa sélér djeung basa Soenda. Ieu babakoena di loear Priangan.

Éta basa sélér koe oerang oelah di paéhan, keun baé sina hiroep, ngan moerid koedoe boga pamilih mana sélér mana lain.

Dina matja ngarang ngitoeng djeung salianna, bada Soenda anoe koekoe dipaké. tapi sakali-kalieun koedoe baroedak sina ngarang koe basana basa sélér téa, sangkan kapiara. goenakeuneun di lemboerna djeung soegan djadi pangdeudeul ka Soenda noe réa.

Ari kaajaan ajeuna, basa sélér téh, lamoen henteu diantep koe goeroena, da goeroena oerang dinja, sami pada boereng kana basa loeloegoe mah, nja sok dipaéhan pisan, datang ka boedak téh oelah njaho-njaho atjan kana basa désana.

Naon atoeh ari anoe koedoe djadi basa moerid?

Koemaha ari basa lemes, atanapi basa golongan anoe sedjen perloe diadjarkeun?

(Tingali katrangan perkawis dialek sareng basa lemes).


Wintjikan Pangadjaran.

Zaakonderwijs sareng spreekonderwijs.

Dina daftar pangadjaran kaoengel pangadjaran noe kaasoep kana pangadjaran basa téh; spreekoefening, Zaakonderwijs, vertellen, lezen’ opstel, sareng sadjabi ti éta.

Pangadjaran basa téh kaasoep kana loeloeloegoena pangadjaran, karana djadi dadasar sakabéh pangadjaran.

Lamoen pangadjaran basa henteu madjoe, tangtoe pangadjaran sédjén hésé napakna, da basa anoe djadi pakakas pikeun ngasoepkeunana.

Dina ngitoeng sajaktosna mah basa anoe digawé, moal bisa djalan lamoen henteu koe basa.

Dina pangadjaran élmoe boemi, kapan ngan njarita anoe digorolangkeun téh, woedjoedna mah nja basa.

Dina pangadjaran sadjarah sampoenénéng. Tjindekna sadaja pangadjaran ajana sarta kaloearna nja tina basa téa; basa anoe nampana, basa anoe nepikeunana; djadi atoeh tétéla pisan méméh naon méméh naon téh koedoe basa heula anoe diheulakeun geusan ngalaksanakeun toemerapna sakabéh pangadjaran. Oepama basa henteu kapiroséa henteu dikokolakeun ti heula, tangtos baloekarna kapantjah, hésé napelna noe datang, da henteu kabawa koe basa téa. Koemaha ari ngokolakeunana basa téh?

Tah ieu dina prakna ngokolakeun, anoe sok pasalingsingan téh, sok aja anoe teu keuna kana oedaganana.

Koe lantaran anoe djadi djoedoel pangadjaran basa moenggoeh di anoe kedah metakeun réa kénéh teu atjan atrana, atjan ébréh bener ka mana piloseunana, ka mana pibaraseunana, naon pigoenaeunana, koemaha ngoelahkeunana, nepi ka toengtoengna anoe djadi poko oedagan, sok lidig kalejek kaliwat-liwat, poegoeh mah nja éta noe ditéangan. Baloekarna méméh prak beunang digoenakeun, geus leboer mantén koe sangkana noe salah téa.

Geura mangga oerang njandak tjonto tina perkawis ngadjarkeun Zaakonderwijs.

Koemaha ari Zaakonderwijs ajeuna?

Anoe ditoedjoe téh:

Ontwikkelen der zinnen, oefening in het waarnemen, masing mekar lawan oetjap, mekar paningal, mekar pangroengoe djeung pangrasa, nja pantja driana téa ringkesna.

Tapi ngokolakeunana anoe sok soelaja tina karepna téh!

Zaakonderwijs ajeuna, kawasna geus méngpar tina pangadjaran basa sabab anoe djadi loeloegoe katoengkoel koe barangna, lain barang anoe djadi panghoedang akal, toengtoengna nepi ka siga ambachtonderwijs.

Paréléanana pangadjaran Z. O. aja patokanana ajeuna mah:

  1. Hihid, doelang, aseupan, gajoeng, bo[ 95 ]boko, said, sééng, samak, ajakan, kendi, pajoeng, sapoe, dj. s. t.
  2. Hajam, oetjing, andjing, koeda, moending, dj. s. t.
  3. Lisoeng, leuit, soemoer, kalapa, waroeng, dj. s. t.
  4. Sareng saladjengna.

Tiorina siga ninggang pédah majat mapaj ti imah ka loear!

Prak-prakanana, aja péréléan anoe koedoe ditoeroet koe goeroe:

Ngaranna, roepana, rasana, ambeuna, dj. s. t.
  1. Didjieunna éta barang.
  2. Bangoenna atawa potonganana.
  3. Hargana.
  4. Babagianana.
  5. Gawéna.
  6. Miarana.
  7. Tempatna.
  8. Boeloena toetoep awakna, lalambaran atawa bagalan.
  9. Pakarangna keur ngalawan moesoeh.
  10. Kabeukina.
  11. Hasilna.
  12. Djeung satoeloejna.

Tjing mangga raraoskeun, naha éta peta bieu téh, enja pangadjaran basa, atawa éta mah pangadjaran „barang”?

Tjontona tina bab gajoeng:

  1. Éta anoe ditjepeng koe gamparan wastana gajoeng.
  2. Éta gajoeng roepina hideung, gagangna roepina bodas.
  3. Éta gajoeng didamelna tina batok, gagangna didamelna tina awi.
  4. Éta gajoeng damelna paranti njioek tjai tina gentong.
  5. Éta gajoeng batokna boeleud, gagangna gepéng.
  6. Ieu gajoeng hampang, gagangna pandjangna 2 djeungkal.
  7. Ieu gajoeng oepami ditakolkeun kana médja haroes.
  8. Ieu gajoeng oepami ragrag sok peupeus.
  9. Ieu gajoeng sok diselapkeun dina bilik.
  10. Ieu gajong pangaosna lima sén, didjoealna di pasar.
  11. Ieu batokna, ieu gagangna, ieu paseukna. Paseukna didamelna tina awi. Batokna liangna boeleud.
  12. Ieu gajoeng ajeuna kosong.
  13. Ieu gajoeng koe abdi diteundeun dina medja.

Sareng saladjengna seueur kénéh „carita” atawa omongan anoe sok dipaké dina nataan patokanana téa, di dieu moal dibéréndélkeun sadajana étanana mah, sabab ieu mah ngan sakadar tjonto, koemaha petana éta pangadjaran dilampahkeunana ajeuna.

Saoer anoe ngadjar: „Tah, moerid geus diadjar sakoemaha toedoeh djalan, geus njaho gawéna, babagianana, roepana dj. s. t. tina éta barang téa. Omongan moerid anoe salah geus dibenerkeun Rek naon deui, éta kitoe pangadjaran Z. O. téh!”

Tapi . . . . oepama oerang nanja manéh: Naha oerang, kolot, dina waktoe prakna njarita kitoe, aja karesepanana, tara paselang djeung heuaj, anoe bidjil tina sang bosen téa?

Naha oerang geus aja kahajang kana naloengtik barang, naloengtik hihid, naloengtik doelang, naloengtik lisoeng, tjara toean doktor atawa propésor mariksa bakteri?

Iraha éta anoe ngadjar kitoe téh geus metakeun panaloengtik kitoe? Moen enggeus, di mana, basa keur naon téa, tjing mangga sabalakana baé?

Oepama oerang teu resep, teu hajang, bosen kana ngalakoekeun anoe kitoe, atoeh komo boedak mah anoe lain propésor, sina nalék hidji gajoeng; beuki teu resepeun pisan meureun.

Djadi oepama koe oerang dipikir, ajeuna dina prakna oerang ngadjar kitoe téh, saenjana, melak naon oerang di boedak?

Éta margina, lantaran batin oerang geus njaho kana mamalana téa, pang ana dek njanghareupan peta kitoe ngan seunggah djeung wegah baé anoe aja, téh!

Mangga manah, atoeh peta kitoe mah naloengtik barang, djadi barang anoe djadi djoedoel maksoed, sanés ngahoedangkeun rasa, ngadjembarkeun pantjadria; mana keunana kana pangadjaran basa? [ 96 ]Éta tjenah apan koe peta bieu téh boedak diadjar telik diadjar gemet diadjar niténan kana barang!

Sigana, siga enja, tapi ari saenja-enjana maéhan kana kasoertian, hama kana katelikan kana titén téa, da boedak djadi mesin anoe ngagorolang teu kalawan golangna akal, teu matak hiroep. . . .

Kantenan aja toedjoean kitoe téa mah dina Z. O. téh, tapi pikeun nepikeun kadinja nja koedoe ngahiroepkeun ati ngahoedang akal, ati téa oelah sina kapapas koe bosen oelah sina kalindih koe anoe matak kaloeman, koedoe singkahan ka teu resep kasoengkan kasoekingki kabosen sareng kakaloemanan boedak.

Kantenan pisan éta peta kitoe téh oerang sadaja meunang pangadjaran ti goeroe, ti goeroe Walanda pisan asalna mah. Tapi naha éta anoe didjalankeun koe oerang ajeuna téh, ari koe goeroe-goeroe Walanda didjalankeun kénéh?

Noemoetkeun katrangan anoe kaoengel dina boekoe opvoekunde en methodeleer karangan toean HILDERS sareng DOUMA, éta peta atawa prakprakan tjara oerang téh, geus koena geus koelapengan, geus teu meudjeuhna di amalkeun ajeuna mah, tina geus kataringali lepatna.

Naha atoeh ari oerang bet aja anoe tonggoj dina metakeun anoe salah téa baé?

Naha henteu kedah oesaha sangkan oerang oge miloe metakeun pangadjaran anoe bener sarta mawa kana hasil?

Koering di dieu moal ngadadar methode ngadjar, da sanés pitempateunana, nanging perloe némbongkeun kaliroena anoe radjeun sok kalampahan di sakola Soenda.

Saparantosna tadi koering njarioskeun koemaha petana anoe ngadjarkeun gajoeng, ajeuna kedah kaoeninga, naon ari djoedoelna pangajaran Zaakonderwijs, anoe tangtos pisan ari koe djoeragan-djoeragan goeroe mah parantos kaaroeninga.

Djoedoelna Zaakonderwijs:

1. Moekakeun gapoera galih sina kedal kana djadi omongan koe lantaran panghoedang tingal (waarneming).

2. Ngadjembarkeun pikir (uitbreiding van den gedachte en voorstellingskring) ngahiroepkeun ati, ngoedag kana algemeene ontwikkeling. Atawa nja éta djadi panglalanjahan pikeun kana pangadjaran anoe bakal kasanghareupan, soepaja kataratas pidjalaneunana kana pangadjaran élmoe boemi, sadjarah, élmoe alam dj. s. t.

Ari djoedoelna pangadjaran spreekonderwijs, nja tjorna tina palajangan anoe bieu:

1. Ngadjembarkeun lisan nepi kana tabah makéna pakakas. di dieu ajana lagoe lentong kapasehatan panglesoe anoe tareugeug, djeung pamoeka dangoe anoe pinampaeun sora noe lian.

(Ngadjembarkeun djalan panampa djeung pangedal lisan)

2. Nambahan kabeungharan ketjap.

3. Ngalantjarkeun tjarita ngedalkeun anoe djadi teretet galih.

Nja ieu dina doea roepa pangadjaran ajana kaadaban rasa (Zedelijke vorming) njoempoetna.

Zedelijke vorming di kelas loehoer dina sempalan élmoe boemi, sadjarah, élmoe alam, kaboekana, lamoen asak Zaakonderwijsna.

Tjindekna Zaakonderwijs anoe djadi pamoelasara kana palemahanana, ari spreekonderwijs pamoemoele kana djalan kedalna lisan.

Koemaha ari tjeuk élmoe ajeuna prakna ngadjarkeun Zaakonderwijs téh.

Ringkesna baé, moal tiasa diterangkeun pisan di dieu, kieu oepamina:

Moerid sina digawé sorangan dibaroeng koe kedal, ngalisankeun angen-angenna panghoedang kana karesepna.

Ari éta kana beureum, bodas, boeleud, awi, kai boeloe, tandoek, dj. s. t. da geus njahoeun boedak téh teu koedoe ditoedoehkeun deui.

Tjontona: Boedak sina njieun kolétjér (koe keretas atawa koe awi), sina njieun taléot, empet-empetan, prak dilampahkeun sina bari tjarita, naon karesepna naon [ 97 ]kabisana naon anoe geus kalampahan koe manéhna. Njaritakeun naheun posong, nawoe kombongan, njieun langlajangan; njaritakeun di saoeng sawah, dina waktoe diboeat, njangoe, ngarioeng dahar, pésta. Naékna ti dinja njaritakeun soemoer bor, palaboean, kapal, dina kareta api, di setatsion, di pasar, dj. s. t. Tjindekna sadaja baé anoe aboes kana handenarbeid, cultuur, Irigatie, élmoe boemi, Landbouw, kaséhatan koem kasabit sadajana, ka kapertjajaan-kapertjaan, adat, kabiasaan, dj. s. t.

Ari éta barang-barangna sakasampeurna baé katjaritakeunana, keur boekti bisi tjan ngahoeun.

„Tah, gobag anoe dipaké nawoe téh kieu bangoenna, kitoe metakeunana!” Henteu sina ditalék gobagna, palebah dieu mah, sarta oelah dipaksa ngedalkeun naon-naon anoe teu aja perloena, lain kahajangna.

Éta boedak barang djieunna ngomongna sareng sagala roepina nja Zaakonderwijs téa, pangadjaran pibekeleun hiroepna boedak, tina rasa kana prakna, kedal koe oetjap, béh boektina boeah pagawéanana.

Mangga dimana piboseneunana éta pangadjaran anoe sakitoe moendelna téh?

Pamoegi-moegi djisim koering koe pitoeloengna pangadjaran Zaakonderwijs téh djembarna rasa oerang Soenda anoe kedal djadi basa, tiasa woewoeh ti anoe parangtos-parantos kamadjenganana, sarta digoenakeun kana ngalalanjahan gelarna rasa anoe bakal bisa ngagambarkeun kaaloesan alam, kapoendjoelanana tingal di basisir, isoek-isoek waktoe meleték srangéngé, sariak lajoeng, wantji toenggang goenoeng, rasa bajeungjang dina panas mentrang-mentring, ngakawénkeun kaaloesanana patempatan, kelarna waasna rasa koe ningal padataran, pasawahan pagoenoengan, atanapi keueungna rasa njorangan di leuweung, geueumanana hidji tempat, sareng djabi ti eta, tjindekna gambar rasa koe basa tina ka aloesan alam téa.

Rasa oerang soenda anoe diwoedjoedkeun koe basa, ajeuna parantos ngawitan dieunteupkeun kana salah-sawios anoe ditataan koe djisim koering bieu, da ari baheula mah apan biasana ngan kana ngagedékeun tjarita kageulisan kakasépan, sareng kana soeroepan panganggo.

Geura mangga baé taloengtik leres-leres, naon ari anoe biasa pandjang dikakawénkeun pantoen dina njaritakeun modjang nepi ka ditataan taarna, halisna, Ramona, bitisna, pipina, sakitoe kedalna éta rasa; ajeuna aja modjang dangdan, kapan soeroepan panganggona. sindjangna, kekembenna, raksoekanana mani katingal tina tétélana anoe njarita. Ana prak njarioskeun modjang angkat, léngkahna, léjéhna, gandjenna, tamat teu aja kakiranganana.

Tah gening rasa téh kedal ari kana éta sareng samboenganana ti dinja mah. Toeloejkeun éta oge da poesaka; tapi itoe alam, goenoeng, mega, leuweung anoe geus ménta dikakawénkeun oelah kaliwat.

Kadjabi ti kakaliroeanana prak-prakan ngadjar basa di sakola handap, koering arék njarioskeun ogé sasabna pangadjaran basa Soenda anoe kabaoed koe atoeran basa Walanda. Koe margi djalan ngadjarkeun basa priboemi repet keneh, teu atjan ngabaloengloeng sapertos pangadjaran basa Walanda, sering naker oerang toetoeroet moending niroe djalan Walanda, anoe basana sakitoe tebihna ti oerang. Kadjadianana nja aja anoe ngolahkeun basa Soenda koe djalan basa Walanda, sapertos:

Lijdende vorm koedoe balikkeun djadi bedrijvende, naon lijdend voorwerpna éta omongan téh, mana hoofdzin mana ondergeschikte zinmen, sareng seueur deui noeroetan gramatika Walanda. Koemaha engké pikadjadianeunana?

Naha basa Soenda maké koedoe dikokolakeun koe djalan Walanda? Angoer oerang mah éta baé basa Soenda, taaleigen Soenda oerang goegoeloeng, oerang oeroeskeun aja asak tambah madjoe.

Lantaran sasab kana djalan Walanda téa, toengtoengna tjoel baé ari kana ngadjarkeun rasa basana mah, anoe aranéhna anoe maroendelna dina Soenda téa mah dina taaleigenna teu kapaliré, pada hal éta anoe leuwih perloe, leuwih goena téh kapan. [ 98 ]Moal deui nganggo ngoeroeskeun klemtoon sagala roepa mah, maroekan tjara dina basa Eropa?

Tjindekna: Pangadjaran basa Soenda, oelah ingkar tina papagon basa Soenda.


Pangadjaran matja.

Di dieu sanés maksoed djisim koering rék njaritakeun ngadjar matja koedoe koemaha methodena, koemaha prok-prokanana, sanés kitoe, da ari éta mah djoeragan-djoeragan goeroe langkoeng noeninga, lantaran geus poegoeh ringkoekna aja dina boekoe-boekoe karangan ahli atikan. Ngan perloe koering nembongkeun mamalana tina pangadjaran matja ajeuna di sakola-sakola.

Tjeuk koering tadi „mamalana” sanés hasilna atawa boeahna, éta ngahadja maké ketjap éta, kieu margina:

Koe sadaja noe palinter koe sadaja para boedjangga parantos diangken parantos dienjakeun jén matja téh saroea baé djeung dahar perloena, sabab matja téh maraban njawa, anoe perloe téa deui meunang parab téh.

Ari oerang Soenda geus resep matja?

Enggeus aja ari bibitna mah kana resep téh, geuning di oenggal lemboer aja wawatjan anoe tepi ka geus koeleuheu. Malah méh di oenggal distrik di dieu aja toekang ngarang wawatjan, toekang noeroen toekang njalin, djadi kahiroepan tina ngadjoealan wawatjan téh, lain ajeuna baé tapi ti baheula.

Tapi éta bibit karesep kitoe henteu katoeloeg teu katjébor koe pangadjaran, teu karaksa koe sakola, lantaran pangadjaran matja di sakolea teu djadi panghoedang kana resep matja, tapi sabalikna tepi ka matak maéhan bisa noempes karesep bibit bawa ngadjadi téa.

Geura tingali, pariksakeun ka goeroe-goeroe, pangadjaran naon anoe pangbosen-bosenna?

Aja doea tiloe: 1. Zaakonderwijs, 2. Ngagambar, 3. Spreekonderwijs, 4. Matja dj.s.t.

Tah éta méh kabéh poko pangadjaran basa anoe dipikabosen téh.

Naha mana kitoe, réa goeroe heuaj, moerid pating koeliat, ana ninggang giliran téh? Babakoena koerang bekel.

Bener mimitina mah barang sok dibagi boekoe anjar, giak goembira resep baroedak téh, da sono kana boekoena weuteuh kénéh, kakara papanggih harita.

Tapi naék ka kelas III Abdoerahman, kelas IV Abdoerahman, di sakoela goeroe kelas I Abdoerahman, kelas II Abdoerahman, di N.S. di O.S.V.I.A. …. nja Abdoerahman kénéh. Tepi ka ngoengkoeweuk teu ganti téndjo, Abdoerahman kénéh baé. Lain goreng mah éta boekoe téh!

Djoel baé sakadang bosen ngarandjing, merelek heuaj leng bae ngalenggoet.

Tah sanés djadi mamala ari kitoe? Naha teu matak maéhan kana bibit resep matja téa. Mangkaning éta anoe bakal kapapas kitoe téh aja di boedak; lain toeloej engkéna matak djedjerih koe matja, da tadi ogé toeloej héés gening? Noe mawi ajeuna di Soenda mah aja basa: „Lamoen hajang toendoeh koedoe matja”!

Dibalik lemah téh saenjana, da bibit tadi kairik koe bosen.

Atoeh koema teu deuk bosen da a. Noe dibatja éta kénéh éta kénéh. b. Ana bréh téh boekoena geus baoe toetoet roebat rabét, sakapeung mah, da geus aja windoena. c. Eusina gambarna basana teu djadi panghoedang kana karesep boedak. d. Anoe ngadjarkeunana sagala doedoek-dadak.

Tah dina bagian c. koe koering rék rada dipandjangkeun tjarita téh, nja éta woedjoedna boekoe batjaan noe ngaroeksak kana kamadjoean, noe sok radjeun djadi hama.

Boekoe batjaan di sakoela téh koe sadaja oge parantos kaoeninga koedoe anoe soeroep kana njawana baroedak, anoe ninggang djeung merenah.

Réa anoe ngarawoe koe sikoe, boekoe batjaan ajeuna mah ngabaroeng djeung bibliotheek téa, kitoe téa kieu téa, tapi ari tjeuk koering mah salah. Lamoen dirampid-rampid mah, matak njamos doeanana. [ 99 ]Anoe koemaha ari batjaan baroedak?

Ringkesna baé:

  1. Basana koedoe basa boedak, ninggang kana loeangna, oelah sina kokolot begog.
  2. Tjaritana koedoe tjarita boedak enja, oelah kira-kira.
  3. Gambarna koedoe aloes, boekoena koedoe aloes.

Perkara basana dina boekoe batjaan ajeuna réa naker anoe teu ninggang, komo salinan tina basa Walanda mah. Rea omongan djidjieunan, miroetjaan méré tjonto goréng ka boedak, njoerat-njarét mawa sasab, nja éta sok katarik koe basa Walanda téa, koe salah téa dj.s.t. mangkaning ari boedak kapan, ari hadena koedoe sina nendjo ngadéngé ngarasa noe hadé, sina napel dina haténa. Ari ieu dibéré (ditjontoan) parab salinan atoeh tangtoe djadi boedak salinan.

Tjaritana koedoe enja anoe geus karasa karandapan atawa aja babandinganana dina lampahna oelah oedjoeg-oedjoeg sina ngalantoer dibawa ka awang-awang.

Boekoe Soenda oge geus aja anoe soeroep ka noe pimatjaeun saperti Roesdi djeung Misnem, ninggang oge kana aloes nja eta batjaan moerid sakola désa sakola II. Ari Pepetétan keur sakola H. I. S. oepami pahili tempat.

Teu soeroep lamoen Roesdi djeung Misnem di H. I. S. pepetétan di sakola désa, lain pipernaheunana.

Dina elmoe ngadjar disebatkeun jén djoedoelna pangadjaran matja téh:

  1. Koe pangaroehna eusina boekoe batjaan boedak téh sina djembar kalemesan boedina, sing kaboeka akalna ninggang dina ati noe bener.
  2. Koe pangaroeh basa tina boekoe batjaan sing tambah loeangna djeung kamahiran basana.
  3. Lantaran pangaroeh ka 1 sareng ka 2, boedak téh koedoe sing tepi ka engké dina geus kaloear ti sakola katagihan koe matja, anoe djadi roekoen hiroep.

Saoer anoe palinter, soegri anoe aja milik meunang pangadjaran matja anoe ninggang di enja, éta saroea djeung nampa panghibatan koentji emas anoe mandjing kana lawang sakéténg, pamoeka gapoerana kadjembaran. Saha-saha anoe bisa metakeun éta koentji bakal pinareng pendak sareng pependemen. sarta meunang bagdja nampa woelangna boedjangga, miboga palajangan anoe henteu keuna koe katiga.

Demi anoe bisa matja teu kahoedang kahajangna, ibarat boga tanah moebah teu digarap.

Djelema anoe resep kana matja, bakal djembar kabogana, hiroep loebak-liboek moal ngeueung katongkoel ngalamoen.

Djadi dina pangadjaran matja téh maraban njawana boedak, tina koedoe masing tepi ka beukahna.

Koemaha ari pangadjaran matja di sakola ajeuna, naha njoemponan kana paménta anoe bieu?

Oepami oerang sareng sadajana oesaha, sangkan pangadjaran matja ninggang di enjana, manawi Bale Poestaka sareng toekang boekoe anoe lian, anoe boga maksoed maraban njawana bangsa oerang, kawas bakal tambah longsong loempatna, hasil leuwih ti ajeuna.

Malikan perkawis boekoe batjaan di sakola, ngarah leuwih hasil piboeaheunana, koering gadoeh panoehoen, soepaja oelah dipatok boekoena anoe kedah dianggo disamikeun dioenggal sakola, tapi goeroe disina marilih koe manéh mana anoe soeroep kana timbanganana.

Anoe ngatoer sakadar aja koemisi, merenahkeun di kelas sabaraha pininggangeunana hidji-hidji boekoe téa. Emoetan koering mah geus teu meudjeuhna make koedoe dialas ti Depot, keun bae goeroe sina mareuli koe manéh, asal disajagikeun doeitna.

Koe djalan ieu, timbangan koering mah, bakal tambah kamadjoean pangadjaran matja.

......

Katrangan tina perkawis bagian pangadjaran basa anoe sanes, sapertos: ngarang, ngadongeng, dj.s.t. koe djisim koering moal ditjarioskeun di dieu.

__________

[ - ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/42 [ 100 ]

Ngajembarkeun basa Soenda Bandoeng.

Pikiran Mangoen di Karia Djatiwangi.


Anoe disebat basa hiroep téh, tegesna basa bisa ngadjembaran, bisa ngadjengkaran, bisa woewoeh ketjap-ketjapna. Sawangsoelna, bisa ogé ngoerangan (leungit), teu dipaké deui, djadi taja bédana sareng sasatoan atanapi djelema.

Henteu kirang-kirang ketjap, anoe ajeuna koe oerang teu dipake deui ngomong, babakoena pisan asal ketjapna.

Nanging di sawaréh tempat masih keneh dipaké. Eta djadi tawis ogé jén éta ketjap téh tadina mah di oerang ogé aja. Doeka koemaha lantaranana, noe matak éta ketjap leungit (minangka paéh) doeka lantaran diganti koe ketjap sanés, doeka lantaran teu aja perloena (teu dipake oenggal poe). Atanapi ketjap anoe sami sareng basa sanés, anoe dina basa éta teu dipake asal ketjapna. Tjindekna meureun aja roepi-roepi margina, noe mawi djadi leungit.

Dina ngadjembaranana basa mah parantos tétéla pisan, jén koe lantaran tjatjampoeran.

Nagara anoe di sisi basisir, tangtos basana moal bisa bersih, lantaran ka dinja téh réa djalma mantja nagara anoe daratang, babakoena anoe ngadon dagang, nja éta anoe ngadjadikan baster basa téh.

Basa Bandoeng baheulana mah saméméh aja djalan kareta api anoe ngaliwatan Tanah Priangan, tangtos basa anoe pangberesih-beresihna, baé lantaran Bandoeng téh aja di tengah-tengah Tanah Priangan, tebih ka mana-mana. Koe hal éta baheula mah, meureun moal pati aja djelema ti sédjén nagara anoe ngoembara ka Bandoeng; noe matak basa Bandoeng disebat basa Soenda anoe pangsaéna, lantaran pangberesih-beresihna, teu sakomaha réana katjampoeranana koe basa-basa sédjén. Doegika diangken basa officiel dianggo di sakola.

Waktos harita basa Soenda Bandoeng téh tasih miskin, atjan sakoemaha beungharna tjara ajeuna, nanging beresih. Demi noe matak miskin, djalaran réa basa anoe teu dipaké téa, ari tambahna teu aja.

Demi ajeuna, sanggeus aja kareta api, dajeuh Bandoeng beuki rame, koempoel boeniaga ti mana-mendi, daratang roepa-roepa bangsa, anoe moekim di dinja.

Koe djalaran kitoe, parantos teu sak deui, jén basa Soenda Bandoeng téh ajeuna mah seueur tjampoeranana basa sanés, boh dina ngaran barang-barang boh pagawéan atanapi sanés-sanésna deui, djadi tangtos éta basa téh kirang beresih.

Sanés basa anoe dianggo sasaoeran baé (spreektaal) nanging basa boekoe ogé tangtos kirang beresih, baé margi katjampoeran basa-basa sanés téa.

Tambahna éta basa koe oerang teu karaos, soemawonna koe anoe njitjingan dina éta tempat (di Bandoeng).

Tiasa kaoeninga jén basa Soenda Bandoeng téh tambah, oepami dibanding sareng boekoe baheula, atanapi oepama oerang ngoepingkeun sapoeh anoe keur sasaoeran.

Aja ogé anoe tiasa nerangkeun tambahna basa Bandoeng, nja éta djelema anoe kapengker aja di Bandoeng, ajeuna geus lila di nagara sanés, anoe tara oenggal tahoen njaba ka Bandoeng.

Djisim koering parantos genep likoer tahoen ninggalkeun Bandoeng, oepami ajeuna madjik deui di Bandoeng, wates 4—5 bulan tangtos tiasa nerangkeun tambahna.

Djabi ti koe lantaran tjampoer djeung bangsa-bangsa sédjén, tambahna basa téh aja deui, nja éta koe lantaran diraéh koe oerang pribadi, babakoena dina ngadamel basa lemes, awahing koe hajang lemes, sanadjan iwal tina biasa nja dianggo baé; atanapi ngadamel basa panengah (anoe emboeng ngahandapkeun teuing dirina).

Nerekabna ketjap, djadi ngadjembaranana basa. Eta koe oerang teu tiasa ditjegah, sanadjan matak kotor kana basa Soenda, koe lantaran hiroepna basa téh koe geraking djelema. Basa bisa paéh, oepami bangsa anoe maké éta basa parantos moesna, tjara basa Latin, basa Grik sareng basa Sangsekerta. [ 101 ]

Sae-awonna ngadjembaran basa.

Naha ngadjembaran basa teh kalebet awon, atanapi sae?

Mangga oerang wintjik sangkan kapendak galoerna.

Dina karangan-karangan boekoe, anoe disebat sae teh, djabi ti entep-seureuhna, nja eta bersihna basana (teu rea tjampoeranana sareng basa sanes). Boekoe anoe karanganana kitoe anoe kaetang sae. Tegesna toelen basana.

Oepami ningal kana eta atoeran, tetela pisan, jen nambahan basa koe basa sanes teh, jaktosna mah kirang sae, atanapi sama sakali teu sae, (awon).

Demi kaawonanana, njaeta ngadjadikeun roeksakna basa. Oepami basa Soenda ditjampoeran basa: Arab, Tjina, Djawa, Walanda, Inggris sareng lian ti eta, tangtos engkena teh sanes djadi basa Soenda, meureun djadi basa tjampoeran (basa Mandepoen), leungit djinisna basa Soenda, timboel basa-basa sedjen tea, naon pingaraneunana oepami doegi ka kitoe?!

Tina eta, dina emoetan djisim koering, ngadjembaran basa Soenda koe sanes-sanes basa teh, kirang saena, djalaran ngarisak kana basa Soenda.

Menggah ajeuna oge basa Soenda teh parantos risak, nanging teu sakoemaha risakna, da moeng basa noe dianggo sasaoeran bae (spreektaal) ari basa boekoe mah tasih keneh kaetang bersih koe margi aja saringanana tea, nja satiasa-tiasa kedah didjagi sangkan basa Soenda Bandoeng teh oelah kotor teuing, Demi basa pasar mah (basa anoe dianggo sasaoeran sadidinten atanapi spreektaal tea), teu tiasa didjagi, nja kedah diantep sakarepkarepna bae, da sanaos matak awon kana basa atoeh koemaha da teu aja anoe tiasa magerna.

Moeng panoehoen djisim koering, ari menggah anoe terpeladjar mah, anoe njaah kana titilar sepah, soepados basa Soenda Bandoeng teh oelah roesak, sanadjan basa anoe dianggo sasaoeran (spreektaal) oge, saijasa-ijasa, moegi sami kersa ngadjagi, kersa mager sangkan oelah, seueur teuing basa anoe njampoeran basa Soenda Bandoeng, oelah iloebioeng sareng anoe seueur. (Sakenging-kenging oelah sok noeroetan nganggo basa anjar, anoe henteu aja perloena, atanapi anoe aja piketjapeunana dina basa Soenda Bandoeng). Oepami sami kersa kitoe, samioek, rempoeg-djoekoeng, mokaha basa Bandoeng teh moal sakoemaha risakna.

Naha perloe basa Soenda Bandoeng didjembarkeun deui?

Di loehoer parantos diterangkeun, jen ngadjembaran, basa teh teu sae matak risak kana basa; demi ajeuna aja deui panarosan anoe oengelna kitoe, Koe emoetan djisim koering, anoe mawi kaloear panarosan kitoe teh kantenan aja maksadna.

Mangga oerang tjoektjroek, malah mandar kapendak pikarepeunana.

Keur koe panginten djisim koering, menggahing basa anoe hiroep keneh mah, moal aja noe toelen bersih; kedah bae aja noe njampoeran, sanadjan basa anoe sakoemaha beungharna, anoe sakoemaha tjekap na oge, koe margi djelema teh hiroepna tjampoer gaoel, henteu tetep hiroep ngagolong sabangsana bae. Koe lantaran anoe boga (noe make) eta basa tjampoer sareng sanes-sanes bangsa, kantenan pisan basana oge aja ka tjampoeran basa sanes tea. Moeng bae tjampoeranana teh kantenan moal sami seueurna; aja noe seueur aja anoe ngan saketjap doea bae, noeroetkun beunghar miskinna basana, atanapi beunghar miskinna nagarana.

Di nagara anoe asalna sagala teu aja, tangtos di dinja seueur basa semah, babakoena ngaran barang-barang atanapi padamelan.

Koe margi eta, dina emoetan dijisim koering, naon pambenganana oepami basa Soenda Bandoeng didjembarkeun deui?

Para djoeragan anoe karempel didieu, kantenan pisan enggal bae ngatjoengkeun rema, nawiskeun. moendoet sasaoeran bade ngadebat; koe margi tadi oge di loehoer djisim koering pribados anoe njebatkeun kaawonanana ngadjembaran basa, demi ajeuna, djisim koering pribados deui anoe njebatkeun (toemaros) naon [ 102 ]pambenganana oepami basa Soenda Bandoeng didjembarkeun deui. Atoeh kantoen ketrok bae nakol tarang.

Alon napsoe djoeragan-djoeragan moegi mas ingsabar, ke oerang teraskeun!!

Sanaos dipoengkiran sapoeloeh kali moengkir, teu roemaos jen basa Soenda Bandoeng miskin, kantenan seueur anoe teu pertjanten.

Sanggem paripaos tea mah totopong heureut dibeberkeun, ti batan roebak mah anggoer soeh.

Basa Soenda Bandoeng teh miskin, soemawonten koe kenging dianggo pikeun nerangkeun elmoe-elmoe anoe laloehoer, (techtnische termen), sariga dianggo baris nerangkeun elmoe basa (gramatica) aja keneh kakiranganana.

Geura mangga manahan, naon ari asal ketjapna mandi, njatoe? Koe basa Soenda Bandoeng mah teu tiasa kaoedag katranganana, koe margi asal ketjapna teh paran tos teu dianggo deui; mandi ngan dikinten-kinten bae asaI tina pandi; njatoe soegan tina satoe atawa tina tjatoe.

Tah tetela pisan kamiskinanana basa Soenda Bandoeng teh, doegi ka teu tiasa nerangkeun elmoe basana.

Sanes basa Soenda Bandoeng bae anoe miskin teh, nanging saantero basa Soenda kaetang miskin.

Mangga manahan, basa lemes meh sadaja njeta tina basa Djawa, dalah panjetana tea seueur anoe lepat, oepami; boelan lemesna sasih, niroe ti basa Djawa; pada hal sasi teh dina basa Djawa mah basa ngoko (kasar).

Aja deui anoe lepat pisan, meureun pedah mempar-memper sorana dikira basa lemesna tina eta, nja eta ramo lemes na rema; ijeu oge noeroen ti basa Djawa, nanging dina basa Djawa mah rema teh basa krama inggil (basa loehoer) tina ramboet.

Djabi ti eta seueur-seueur deui.

Ajeuna mah kantenan parantos tetela pisan, moal aja anoe teu toemarima, jen basa Soenda teh miskin. Basa Soenda Bandoeng oge nja sami bae.

Koemaha oerang teh rek tjitjing bae moal ichtiar???

Saoer para sepoeh: „Oepama maneh teu bisa atawa teu njaho, koedoe nanja ka noe bisa atawa ka noe njaho; oelah sok era nanja, matak djadi djalma bodo; oepama maneh teu boga, menta ka noe beunghar!"

Oepama ngemoetkeun kana saoer sepoeh kitoe, oerang teh wadjib ichtiar baris ngadjembaran basa oerang (basa Soenda). Soemawonten basa anoe dianggap basa Negri, (Soenda Bandoeng) anoe diadjarkeun disakola-sakola, eta anoe langkoeng wadjib didjembaran soepaja djadi basa anoe beunghar, sahenteuna beunghar oge nja soegan kaetang-etang tjekap bae.


Ketjap-ketjap anoe koemaha, sareng ti basa mana noe dibantoen baris ngadjembaran Soenda Bandoeng?

Moegi henteu djadi eweding panggalih sadaja, wirehing tadi di loehoer djisim koering parantos njebatkeun jen kirang sae, nambahan basa teh, matak risak kana basa ; demi ajeuna bet hojong nambahan basa Soenda Bandoeng sangkan djadi beunghar. Meureun koe sadaja disebat tjoelang-tjaling, teu adjeg pikiranana. (ngimpi).

Moegi djadi kaoeningaan sadajana, tadi ti pajoen sajaktosna djisim koering njanggem teh atjan sampoerna, atjan aja katrangan, koe margi katranganana teh njamboeng sareng noe ajeuna.

Nambahan basa Soenda koe, ketjap-ketjap basa sanes, jaktos pisan kirang sae; sanes kirang deui, malah teu sae pisan, oepami matak ngariksak kana basa Soenda, toer teu aja kaperloeanana; nambahan teh. ngan koe lantaran hojong ginding, hojong disebat pinter, ngartos kana roepa-roepa basa. Pada hal dina basa Soenda oge, ketjap noe kitoe hartina teh aja. Sapertos kasebat dina Woelang Poetra karangan Soewargi R. H. Moehamad Moesa, kieu oengelna.

„Tina kareaan basa, toengtoengna djadi pabeulit, kalampah djaman ajeuna sok rea djalma tjirigih, magah ngomong Batawi njeboet anem poeloeh tiloe, henteu roemasa [ 103 ]salah, tetep bae goendang-ginding, ana ngomong Malajoe make sajah mah.”

Oepami basa Soenda ditjampoeran kitoe, naha kinten-kintenna sae?

Tah nambahan ketjap anoe kitoe anoe sim koering teu rempag teh, da eta mah sanes nambahan, tapi ngaganti ketjap basa Soenda, koe basa sanes, sapertos: pikeun digentos koe boeat.

„Ieu mah lain boeat koering soerat teh boeat mang Lamsidjan!”

Digawe digentos koe kerdja.

„Si eta mah biasana oge kerdja di Walanda, moal daekeun kerdja di bangsa oerang mah”. s. s.

Oepami pikeun mamanis bae mah saketjap doea ketjap, (kitoe oge dina spreektaal) nja teu djadi pambengan sapertos anoe djadi babakoe ketjap gaganti ngaran: sajah, ik, jij.

Tah ngagentos ketjap anoe sim koering teu rempag teh, da sajaktosna mah sanes ngadjembaran eta mah, moeng ngagentos bangoen.

Demi anoe dipimaksad koe sim koering, ngadjembaran basa teh sanes ngagentos, nangimg nambahan ketjap-ketjapna, anoe teu aja dina basa Soenda, soepaja basa Soenda djadi sampoerna, kenging dianggo njarioskeun elmoe-elmoe noe loehoer-loehoer.

Oepami kitoe mah, sanaos basa Soenda henteu bersih, (teu tjere Soendana, teu toelen) nanging teu matak djadi kaawonan, djalaran aja kaperloeanana.

Tina hal ieu sim koering teu rek njarios langkoeng pandjang ti ieu, anoe bade ditjarioskeun teh hal ngadjembaran basa Soenda Bandoeng koe basa-basa Soenda ti sanes-sanes tempat.

Di loehoer parantos ditjarioskeun, jen basa Soenda Bandoeng teh ajeuna mah parantos katjampoeran koe basa-basa sanes (Walanda, Djawa, Tjina, Malajoe sareng sanes-sanes deui), parandene kitoe Soenda Bandoeng teh tasih keneh seueur kakiranganana.

Madak roedjoek kana manah sadaja, mangga oerang woewoehan ketjap-ketjapna, sangkan bisa djadi tjekap.

Doepi ngawoewoehanana, samemeh koe basa semah (Walanda, Tjina, Arab, Porteges, In,ggris s.s.s.) langkoeng sae koe basa tatangga (Soenda Banten, Bogor, Poerwakarta, Madjalengka, Koeningan, sareng basa-basa Soenda di Priangan iwal ti Bandoeng; tebih-tebihna koe basa Djawa.

Pangeusi Bandoeng, kantenan sami ngaraos kirang senang, ngoeping basana bade ditjampoeran koe basa Soenda ti sanes-sanes tempat, koe margi basa Bandoeng teh parantos kasebat basa sae didamel basa officiel, anoe Soenda anoe sanes-sanes mah basa awon, komo ari Soenda Banten mah, pang awon-awonna, pamojokan sarerea.

Nanging, panoenoehoen pisan, moegi sadaja oelah llngsem, da sanaos basa Bandoeng sae oge, nanging kirang pepek, ajeuna mangga oerang pepekan, soepados woewoeh saena.

Sareng panoenoehoen pisan, moegi oelah karagoengan manah jen basa basa Soenda loear Tanah Pringan teh awon, teu kalebet kana basa Soenda. Pikeun sabeuleugeun djeurna mah (saanterona) tangtos awonna teh; nanging seueur pisan ketjap-ketjap anoe basa Soenda toelen, anoe teu aja di basa Soenda Bandoeng. Djadi oepami eta ketjap dilebetkeun kana Soenda Bandoeng, henteu njemah.

Mangga manahan, mending mana basa Soenda Bandoeng ditjampoeran koe basa Malajoe, Djawa, Walanda, Porteges, Hispania s.s.s. atanapi koe basa Soenda; Banten, Bogor, Krawang, Madjalengka Koeningan, anoe kaetang ketjap Soenda???

Rasa sim koering mah mending ditjampoeran koe ketjap-ketjap Soenda tea, tangtos bisa dalit tjampoerna, moal tjara bangsal tjampoer djeung beas; kadjawi ti eta moal dianggo tjitjiren kana kaajaanana bangsa Soenda.

Oepama dimanah saliwat mah, nja mokaha, moal matak ngadjadikeun naonnaon, pilakadar ge ketjap.

Nanging oepami dimanah temen-temen, dilenjepan, nja matak toegenah pisan. Eta kaajaan kitoe teh, kawistarana koe bangsa sanes, anoe noekma ka bangsa Soenda, kirang katerang, nja matak lingsem tea ka karoehoen oerang. [ 104 ]Geura mangga reungeukeun, sim koering bade nĕrangkeun hidji tjonto, anoe matak teu raso ka oerang koe panoekmana noe sanes.

Dina basa soenda Bandoeng, aja kĕtjap pisang goring; eta kĕtjap Malajoe, anoe dina basa Soenda Bandoeng hĕnteu aja kĕtjapna, (Kĕtjap basa Soenda, anoe dipake ngaranan kana eta barang).

Panoekmana noe sanes, nĕrangkeun jen oerang Bandoeng baheulanan teu aja anoe tĕrang (soemawona bisi njieunna) kana eta barang, boektina dina basa Soenda Bandoeng teu aja ngaranna; tetela pisan jen eta teg beunang njonto ti oerang Batawi.

Koe panoekma kitoe, asa lingsem pisan, karoehoen orang dikikitoe, ngan sirikna teu disĕbut deui teu ngarti basa Batawi (Malajoe), nĕpi ka teu njaho naon ari hartina pisang. Toekmaan anoe et amah langkoeng-langkoeng matak ngĕnĕsna the.

Anoe ngaroeping kantĕnan seueur anoe njĕla; „Sageuj teu njaho kana hartina pisang onaman”.

Djĕlĕma-djĕlĕma djaman ajeuna mah, kantĕnan pisan moal bireuk kana pisang, nanging ari djĕlĕma-djĕlĕma baheula mah nja estoe teu tĕrangna the. Tawisna tasih keneh aja anoe njĕbat; pisang goring tajoe sale. Oepami tĕrangeun kana hartosna pisang=tjaoe, mah, asa sageuj njĕbat: pisang goreng peujeum sampeu teh!!!

Dĕmi kahartosna the, soegan eta barang anoe kitoe (koeweh anoe diasakkeunana kitoe), geus boga ngaran pisang goring, hĕnteu aja sangka kana tjaoe digoreng mah.

Tah koe lantaran basa sakĕtjap, ngadatangkeun doea roepa ka’aeban ka oerang Soenda.

Dĕmi asalna, noe matak di Soenda aja kĕtjap pisang gorengm beunang njĕta (ngadenge) ti oerang Batawi.

Ajeuna parantos tetela pisan kakiran sasèanana tèh njaèta:

a. kakirangan basa, nĕpi ka teu aja pibasaeunana baris ngaranan barang anoe saroepa kitoe.

b. Kakirangan kabisa (panjangka boe lian) nĕpi ka oerang Soenda mah (baheula, karoehoen oerang) teu bisa njieun koewèh noe kitoe-kitoe atjan.

c. Kakoerangan pangarti, nĕpi ka teu bisa basa Malajoe-Malajoe atjan.

Tina eta, dina emoetan sim koering baris mindingan kakiranganana karoehoen oerang, langkoeng sae eta kĕtjap anoe kitoe the dileungitkeun (oelah dianggo deui) digĕntos koe kĕtjap basa Soenda.

Sanes moeng matak lingsĕm ka karoehoen oerang bae, tapi ka oerang oge nja aja matakna. Geura mangga oerang derah.

Menak-menak loear Tanah Priangan mah (loear dajeuh Bandoeng), oepama ngoepingkeun oerang Bandoeng ngaromong, sadajana oge ngartoseun, koe margi basa Bandoeng the diadjarkeun di sakola. Sanes menakna baé, nanging somahana oge anoe sarakola mah nja ngartieun, sarta bisa ngomong Soenda Bandoeng.

Koemaha ari oerang Bandoeng. (anoe tara liar), oepama ngoeping omong bantĕn, Krawang, Koeningan, s.s.s rea anoe olohok baé teu ngartoseun. Koemaha the teu ngaraos toena?

Koe margi eta dina emoetan sim koering perloe pisan oerang teh ngoempoelkeun kĕtjap- kĕtjap Soenda. Anoe teu aja dina basa Soenda Bandoeng soepados:

a. Basa Soenda Bandoeng djadi basa Soenda anoe tjĕkap

b. Pangeusina tiasa tĕrang kana basa-basa Soenda di sanes tĕmpat

c. Oerang sanes-sanes tĕmpat oge djadi oentoeng.

Oepami kitoe mah basa Soenda teh tangtoe djadi basa Tanah Pasoendan (sanadjan aja dialect ogé moal sakoemaha bentenna).

Dĕmi menggahing ajeuna mah aja dialect anoe sama sakali teu kahartos koe djelema-djelema di tĕmpat sanes.

Mangga ieu aos dialect Loerahgoeng, koemaha hartosna

Kinanti.

Tjĕlĕm bolĕd make koeloer,
Ditjampoeran mĕndong kĕding, [ 105 ]
Didadar karo roebiah,
Dina handapeun pĕlĕnding,
Tas ngareungkeup wantji asar,
Kagila-gila koe tiris.

Keur pangintĕn sim koering, rea oerang tĕmpat sanes anoe teu ngartos meueus-meueus atjan kana eta tĕmbang tĕh.

Koe lantaran, salah tampa, teu ngarti kana basana, rea noe pasea.

Aja tjarios kieu:

kinten-kinten 20 tahoen kapĕngkĕr di iskola menak Bandoeng, aja doea moerid, oerang Bandoeng pitoewin sarĕng oerang Koeningan, papadon paaloes-aloes basa.

Nja tangtos pisan oerang Koeningan anoe kawon: sanggeus kawon teh bari ngaleos ngomong kieu:

„Wah, kadjeun teuing, aloes basana oge da djĕnoek moengkal!”

Koe lantaran teu ngarti kana kalimah djĕnoek moengkal, ngan pidigdig baé moerid Bandoeng teh ngambĕk anoe antĕp kadaék tea. Sabab dina ingĕtanana tangtos ĕta basa goreng, sakoerang-koerangna anak djadah.

Tah oepami kadjadian kitoe, naha teu lingsĕm???

Ngawangsoelan tjarios di loehoer, pĕrkawis pisang goreng. Di Banten mah koeéh anoe kitoe teh (hidji barang ditjampoerkeun kana tipoeng beunang ninjoeh, ladjeng digoreng) aja ngarana nja eta gogodoh.

Oepami tjaoe, anoe digalokeun kana tipoeng teh ladjĕng digoreng, ngarana : gogodoh tajoe; oepami taleus, hoei, peujeum sampeu, s.s.s. ngarana : gogodoh taleus, gogodoh hoei, gogodoh peujeum sampeu, s.s.s.

Dina emoetan sim koering, prajogi pisan kĕtjap pisang goreng teh oelah dianggo deui, digĕntos koe : gogodog baé.

Sim koering oge ngartos, sarĕng parantos katjipta, jen moal aja anoe rĕmpag. Djalaran seueur keneh oerang Bandoeng anoe nginten, jen basa Banten teh Soenda ano pangawon-awona, pangkasar-kasarna; malah aja oge noe njebat sanes basa Soenda; hĕnteu lahak ditjampoer-tjampoerkeun djeung basa Bandoeng.

Djisim koering hénteu moengkir, jaktos pisan basa Soenda Bantén teh kasar; nanging noe mawi kakoepingna kasar sanes kétjapna nja eta léntongna, saréng teu pati rea basa lémésna. Ari kétjap-kétjapna mah, rea anoe Soenda toelen pisan.

Oerang Bandoeng anoe salamina ngan oeloekoeték di Bandoeng baé mah, tara loenta ka loear, kanténan pisan njangka jen basa Soenda Bantén teh sanes basa Soenda.

Djisim koering pribadi anoe gadoeh eta basa, satadina mah njangka nja kitoe pisan. Nanging menggah ajeuna, sanggeus sim koering intjah ti nagara sorangan ngoembara, tiasa nétépkeun jen basa Soenda Bantén ogé (djaba basa semah), estoe basa Soenda.

Di bawahan onderdistrct Tjibingbin, district Loeragoeng Kaboepaten Koeningan, anoe sakitoe padjaoehna sareng Tanah Bantén, kahalangan koe pirang-pirang nagara, pirang-pirang goenoeng, noe hidji deui aja di toengtoeng koelon noe hidji deui aja di toengtoeng wetan Tanah Pasoendan.

Para.ndene kitoe asana di eta doea témpat, rea kétjap-kétjap anoe saasal, anoe teu aja dina basa Soenda Bandoeng.

Djisim koering hénteu ari nangtoskeun pisan mah, jen rea kétjap-kétjap anoe sami, ngan koe taksiran nja kitoe; koe margi kakara sawéngi baé sim koering mondok di desa Doekoehabang (bawahan onderdistrict Tjibingbin), parantos ngoeping doea tiloe kétjap anoe saempér saréng basa Soenda Bantén, sapertos:

Di Bantén lodjor, di Doekoehabang lodor, di Bandoeng pandjang. Di Bantén tjolobong, di Doekoehabang totobong, di Bandoeng kelér.

Di Bantén teteh, di Koeningan oge teteh, di Bandoeng atjeuk.

Djabi ti eta tangtos seueur deui kétjap-kétjap anoe sami atanapi anoe meh sami.

Basa Soenda siring Madjaléngka oge aja anoe sami saréng basa Soenda Bantén, sapértos di Djatitoedjoeh kana nangtoeng teh nandjeur tjéples pisan tjara di Bantén.

Ninggal kana kaajaanana sapértos anoe parantos disébat tadi, djisim koering [ 106 ]henteu mangmang deui baris nĕtĕpkeun jen basa Soenda satanah Pasoendan teh tadina mah saasal.

Tina eta sangĕt panoehoen djisim koering, moegi sadaja oerang Bandoeng oelah ngaraos hina atanapi lingsĕm, oepami basa Soenda Bandoeng ditjampoeran koe basa Soenda ti sanes-sanes tĕmpat di tanah Pasoendan (iwal ti Bandoeng), da poegoeh eta ogé saasal keneh.

Sakitoe panoehoen djisim koering, moegi sadaja kĕrsa ngamanah, madak djadi tambah saena basa Soenda.

Djalana ngarĕkahanana (ngajĕmbaranana).

Oepami sadaja parantos rĕmpag baris ngarĕkahan basa Soenda Bandoeng, ajeuna soemangga oerang ngilari koemaha pidjalaneunana ngarĕkahanana.

Dina emoetan djisim koering, ari parantos rĕmpag mah sadaja, kantĕnan tiasa enggal kadjadian, nanging saratna teh kedah samioek, rĕmpoeg-djoekoeng. Sareng kĕdah kĕrsa Allah. Oepami teu kitoe mah moal tiasa kadjadian.

Dĕmi akalna, keur pamĕndak sim koering mah kieu:

Para djoeragan, dioenggal-oenggal tĕmpat, moegi sami kĕrsa kĕrna Allah, ngoempoelkeun ketjap-ketjap, anoe teu atjan aja dina woorden boek Soenda, ditĕrangkeun hartosna sĕreng nganggona sing tetela pisan, sarĕng satiasa-tiasa sing loeklik pisan.

Oepami eta boekoe parantos rampoeng, ladjĕng dikintoenkeun ka Djoeragan-Djoeragan Bestuur Jaéa Instituut. Namoeng oelah tjoeltjil wawarehan ti hidji-doea tĕmpat baé, kĕdah ti oenggal tĕmpat di sakoeliah Tanah Pasoendan.

(Moegi masing-masing ichtia koe andjeun baé, da basa andjeun teh bade diangkĕn (dilĕbĕtkeun) basa Soenda anoe saé. Moegi masing ngaraos bingah).

Dimana eta dialect sadaja parantos kĕmpĕl, ti oenggal tĕmpat. Tangtos ngadamĕl Jurij baris milih tina basa-basa sanes tĕmpat tĕa, anoe mana anoe pantĕs dilĕbĕtkeun djadi Soenda Bandoeng.

Ieu padamĕlan teh sanes padamĕlan sadintĕn-doea dintĕn; nanging oepami dikeureujeuh laoen-laoen tiasa hasil.

Dimana parantos rampoeng sadaja dikĕmpĕlkeun, didamĕl woordenboek Soenda, sarĕng parantos dipasip saniskantĕnna koe para ahli basa (Boejangga2 Soenda anoe palintĕr), sarĕng parantos disahkeun koe sadaja, eta boekoe teh sanggakeun ka Pangagoeng njoehoenkeun ditĕtĕpkeun, sarta dibesluitan, dikĕdahkeun diadjarkeun di sakola-sakola Soenda.

Tah kitoe ari pamendak sim koering mah.

Kantĕnan pisan di antawis pada Djoeragan noe kĕmpĕl ieu seueur anoe kagoengan hodjah, kĕdah koemaha akalna ngadjĕmbaran basa teh, moegi enggal kĕrsa ngadadar ajeuna soepados tiasa enggal diatoer.

Disoehoenkeun ka sadajana baé moegi kĕrsa ngadeudeul kana ieu maksad djisim koering, malah mandar djadi kasaean ka sadajana.


Prae-advies

Rd. Moeh. Moehji’ddin.

Neda agoeng nja paraloen,
neda lébar pangampoera,
wiwéhing deuk koemawani,
iloe bioeng miloe midjah,
sim koering roemaos pisan,
nja oemoer nembé mantjeran,
kaweroeh nembé balébat,
namoeng dalah dikoemaha,
koering tjoendoek dipioetoer,
loemampah nandang timbalan,
saé awonna soemangga,
njanggakeun timbang taradjoe,
bobot pangajon di andjeun,
ieu mah sabrang salajan,
lir oepami pangrewongna,
moen kebon mah makaja lahan bolongar.

Basa boekoe-boekoe batjaeun baroedak, batjaeun kolot djeung djalma noe geus kapandjingan kapinteran téh koedoe ngeusian papagon-papagon naon? [ 107 ]Djawab sim koering:

„Kedah ngeusian papagon-papagon, noe teu soelaja tina oengkarana warna-warnaning ketjap, noe loembrah dilisankeun koe baroedak, dioetjapkeun koe kolot sareng koe djalma noe parantos kasebat palinter tea.”

Manawi ladjeng bae disoesoel koe patarosan ieu: „Naha boedak teh karah ngabogaan basa sorangan?

Lain ari basa Soenda mah kitoe-kitoe keneh bae? Lamoen enja kitoe, tjing etjeskeun, mana noe dingaranan basa boedak teh?

Nja kitoe deui mana basana kolot kabiasaan teh djeung djiga koemaha basana ari basa noe palalinter?

Baris njoemponan kana pamoendoet noe kasebat di loehoer , sim koering kedah ngadadarkeun heula perkawis-perkawis noe kasebat di handap ieu:

Basa

Naon ari basa?

Basa teh pakoempoelanana omongan-omongan make parelean noe tangtoe (maneuh), noe dioetjapkeun koe hidji bangsa.

Demi omongan nja eta pakoempoelanana ketjap-ketjap noe diparelean, dieunteup-seureuhkeun kalawan ngandoeng maksoed.

Ari moenggoehing ketjap njaeta soesoenan sawatara engang, noe ngandoeng harti.

Demi engang didjadikeun koe hidji sora atawa leuwih, noe ngandoeng rasa.

Dina marelekeun engang sina djadi ketjap diatoer koe pasinina tadi waktoe eta bangsa mimiti njarieun ketjap make dadasar rasaning sora.

Koemaha peta-petana, koe sim koering moal didadar didieu margi rada njimpang tina noe bade dibarempagkeun ajeuna.

Demi peta njoesoenkeunana omongan-omongan sareng ketjap-ketjap make hidji kakoeatan, noe ngatoer, noe kitoe tina RASA sareng TIMBANGAN si noe njarita.

Ari rasa djeung timbangan teh nja eta pamakajakeunana hate sareng oeteuk, atawa boedi sareng akal dina waktos harita.

Maksad noe njarita, mere terang ka noe dibawa tjarita, tina rasa sareng timbanganana tina hal noe keur ditjatoerkeun tea.

Doepi rasa kawengkoe koe adat, istiadat, tabeat, watek sareng sabangsana ti eta, njaeta djeudjeutan tina boedi tea.

Ari timbangan mah boeah pikiran, boeah akal. Koe margi sakitoe, lamoen oerang ngadangoe hidji djalma tjoemarita atanapi matja karangan batoer, oerang sok iasa nginten-nginten adat-tabeatna sareng loehoer handapna pangaweroeh noe ngarang atanapi noe njarita tea. Dina ieu tjonto di handap katawis doegi ka kenging digambarkeun adat-istiadatna sareng rasa kana kapantesan tina hal dangdanan bangsa Soenda djaman baheula sareng djaman kiwari.

1. Djaman kabehdieunakeun.

Anggoan pemeget.

Dibendo totopong gadoeng, sisina diperemas, rapat tjara bendo Pangeran-Pangeran Solo, toengtoeng iket dina tarang diwiroekeun, diselapan inten sagede katjang; badjoena kostim make tali-bandang emas; sampingna kebat didodotkeun; ditjalana boeloedroe semet toetoer, dobordel koe benang emas, ka handapna dikaos djeung disapatoe. Keris emas sasapoetan njolegreng dina tjangkeng, tembong saboek doea lapis epek soetra pangloearna pasmen emas. Dina tjeuli raweuy soesoemping kentja katoehoe, beungeutna diwedakan.

Geus kitoe panganten teh tjlak ditoempakkeun kana koeda daragem aloes, djangkoengna 8 dim, dipajoengan koe pajoeng kadjenengan, ger ngangkat iring-iringan rek ka masigit, rek nikah tea. (Tina boekoe baroeang ka noe ngarora).

Anggoan istri.

Panganggo ampoeh toer timpoeh,
Kawaj paris batis ipis,
Sindjangna katjiamisan,
Dibebenten soetra koening,
Ngalangkang lir gedang asak,

[ 108 ]

Matak oeroej noe ningali,
Disanggoel teu pati loehoer,
Ramboet seungit ti djasmani,
Wedak landong sariawan,
Soebal tongkeng djeung malati,
Dipinggel oraj-orajan,
Emas inten ting karetip.

Moen toengkoel semu reh mawoer,
Saroepa bentang di langit,
Soeweng kaja kingkilaban,
Sorotna biroe djeung koening,
Panitih katoembirian,
Sinarna teu daek tjitjing.

(Tina rasiah noe geulis).


Djaman boehoen.
Anggoan pamegetna.


Anggona sorot bajabon,
Dadamping toempal pajoedan,
Disaboekan tali datoe,
Meunangna djamang sakelat,
Meunang makoeta paremas,
Mangled anoe njoren doehoeng,
Gogodong roembjang kantjana,
Landean tajoeman anjar,
Sarangka sasaranggatan,
Sasamboengna tiloe poeloeh,
Tatambalan lima welas,
Tatap elokna salawe,
Kilang kitoe teu katara,
Regana salawe joeta,
Kilang kitoe ditedoenan,
Da sae noe nganggo inja,
Pendok koneng nganggo topeng,
Ngagebor pamendak inten,
Raweuyan kembang djajanti,
Lain djajanti mas kembang,
Mas pitoe meunang ngalesoe,
Mas sanga meunang ngagoebah,
Emas meunang ngaleotan,
Ngaroengkoep kana harigoe,
Ngaroembaj kana pengkerang,
Meulit kasorang kerisna,
Ipis ramping koe dadamping,
Genteng tjangkeng koe rarangken,
Langkojang awak wajangeun,
Kasep taja papadana.


Dangdanan koedana sareng prakprakanana anoe toenggang koeda.


Noe dangdan teu pati sae,
Diambenan tali datoe,
Apoes beuheung tjinde beureum,
Apoes boentoet tjinde woeloeng,
Tjalakatakan tjandana,
Sangga oeangna koe lojang,
Montjorong melong kantjana,
Sangwedi mas koemambang,
Pepenjoet pang njalin tingal,
Meunang katapaj koe emas,
Kadali teu pati apik,
Adag ranggahna kantjana,
Disebrakan koe kombaja,
Roengkoep tonggong tjinde abang,
Geus entep reudjeung parele,
Ngalirik ka tebeh kentja,
Ret koedana ditjangtjangkeun,
Top binang kana biringna,
Koe tjampaka siger djantoeng,
Katoet djeung pajoengna pisan.
Pakean saroea doea,
Nete kasangawedina,
Sakitoe saroea milik,
Mas koemambang tjeklak toenggang,
Koeda tjongklang lemboet manggoet,
Tjongklang badag mamandapan,
Sisirig bari adean,
Djiga mantri pantjakaki,
Saleber samber koe pajoeng,
Naleber samber koe pajoeng,
Pajoeng tjawiri pandeuri,
Pajoeng bawatna ti heula,
Toembak biring ti pandeuri,
Koedoe tjampaka ti heula,
Siger djantoeng ti katoehoe,
Pentjok saeng tebeh kentja,
Dihapit koe toembak binang,
Broeg ngagimboeng, braj ngabantaj,
Soerakna eundeur-eundeuran,
Sadjongdjongan seherojan.


Panatan dangdanan istri.


Sampingna teu pati apik,
Disampingna soetra koening,
Karembong tjinde kediri,
Njalindang koe tjinde kembang,
Kongkojang koe soetra ganggong,

[ 109 ]

Kaloehoer kana geloengna,
Kahandap kana sindjangna,
Oelah rek digelong djoetjoeng,
Bisi padjar indoeng-indoeng,
Matak kasoran noe agoeng,
Matak larangan kalisoeng,
Matak sieun pra pohatji,
Bisi padjah tatambangan,
Matak sarang di noe wenang,
Oelah rek digeloeng konde,
Matak djore di noe gede,
Salin deui na geloengna,
Geloeng lelep geloeng tikel,
Dihapitna koe djaridji,
Di tikelkeun koe dampalna,
Ser djoetjoeng direunteut deui,
Loeloemat salawe lambar,
Dipinggiran koe malati,
Didjadjaran koe tjampaka,
Djedjel koe inten baroentet,
Disoebal saloempit pandan,
Dipoentjakan mas kalangan,
Miring batan goenoeng Soengging,
Tjepak nongnong koleangkat,
Niroe geloeng wedadari,
Kabogoh para pohatji,
Teu ngewa anggo di Goesti,
Koening kari moeri-moeri,
Bala kari nitah bae,
Sakabeh pada dianggo,
Pada diadjaran kabeh,
Sakala poe harita,
Sakalangkoeng tapok geloeng,
Pameunteu sarangka beubeung,
Salobong sarangka tongtong,
Saloebang sarangka awak,
Saloempir sarangka bitis,
Siger boengker djeung pamener,
Djoemepret benten kantjana,
Benten emas ditarikan,
Dimangka tarik sisina,
Dimangka ngendoe djoeroena,
Dimangka ngendong di tengah,
Ditimbangan soeweng bapang,
Dikarantjang dikarantjeng,
Eureuj mani kikitjeupan,
Intenna djiga arimoet,
Barabaj koenang-koenangan,
Noe bentjoet dina harigoe,
Djiga tjengkir klapa gading,
Katoeroeban koe Singtoengna,
Djoedjoeloek masangan waroe,
Hoeloe soesoe noendjoek iroeng,
Tetenger djadian agoeng,
Hade keur pawarang ratoe,
Ditilik gila koe loetjoe,
Taja batan poetri boengsoe,
Koneng henteu hideung henteu,
Sedeng ngetjemeng ngetjemeng,
Ret boenter ngelemeng koneng,
Nja koneng ngala ka teteh,
Nja lendjang ngala ka biang,
Nja moblong ngala ka embok,
Nja geulis ngala ka nini,
Nja djangkoeng ngala ka indoeng,
Bisa njalin doengkeun semoe,
Bisa njoesoempingkeun boedi,
Mere semoe djiga imoet,
Mere boedi siga seuri,
Ma’nana parek redjeki,
Pangaroeh noe rampes boedi.

(Loetong kasaroeng).

Tjobi mangga lenjepan parios adat isitiadatna sareng ngeunteupkeunana rasa kaaloesanana dina hidji-hidjina djaman.

Nja kitoe deui lamoen mariksa omonganana baroedak, laoen-laoen oerang bakal iasa nangenkeun batinna baroedak[2]. Lami-lami tangtos oerang kenging kajakinan, jen oengkara sareng warna-warni ketjap noe sok dilemekkeun koe baroedak teh loejoe hoerip sabiloeloengan saareng kabatinanana.

Mangga bae geura tjobi titenan, intip, tangtos engke tinemoe sareng kajaktosanana.

Ieu di handap tjontona omongan baroedak noe satjerewelena, tina sawatara pagoeneman-pagoeneman, noe parantos dititenan koe sim koering; ditema koe omongan kolot pertengahan, karangan noe palinter, karangan boedjangga-boedjangga Soenda baheula, boedjangga djaman kiwari sareng salinan-salinan tina basa deungeun.

Mangga oerang saliksik perkawis-perkawis noe ngawengkoe hidji-hidjina pakoemboehan. [ 110 ]

Omongan barudak umur 7-8-9 taun.
Ceuk si A:
Euleuh itu aya nu nguseup!
B: Enya, ku déwék ogé kadeuleu-eu-eu!
C: Bapa uing ogé sok nguseup.
A: Abah ogé osok, sok meunang soro.
C: Bapa déwék mah sok nguseup ka Cikundul.
A: Bapa déwék ogé osok.
C: Sok meunang naon bapa silaing?
A: Sok meunang soro, sok meunang lélé, meunang kancra
B: Wah, piraku meunang kancra, meureun meunang bogo.
A: Bapa silaing sugan sok nguseup bogo.
B: Léh, bapa déwék mah baréto ogé meunang lauk emas, mani sagedé pingping.
A:


Wah, bohong waé, bapa silaing mah tara nguseup


A: Itu naon euy diriung-riung?
B: Euleuh bagong.
C: Enya baé. Jéy, geuleuh.
D: Iiiy, gila.
A: Euleuh sihungna9) euy, mani sagedé kitu10).
B: Jeuy buntutna9) mah ku leutik, nya euy.
E: Euleuh, éta tapak ngabedilna.
A: Hér, lain tapak bedil9), tapak pélor kituh.
G: Hiji... dua... Mani dua.
H: Ku heuras buluna nya euy!
A: Iy! Lamun diudag ku nu kitu silaing rék kumaha?
B: Rék naék baéééé!
A: Moal déwék mah. Rék lumpat baé.
G: Wah, diudag meureun.
A: Da moal kaudag.
B: Wah, ku déwék ogé silaing mah kaudag.
A: Coba pék!
B: Hayoh!
Guru: His, cicing! Beunang ngabedil saha ieu téh, Mang?
Nu nanggung: Kénging serdadu.
A: Sok dihakan, nya ku serdadu mah.
B: Puguh baé da beukieun.
C: Jéééy!
Guru: Ti mana beunangna?
Nu ditanya: Ti Leuweung Datar.
K: Enya euy. Di Leuweung Datar mah loba bagong.
T: Ceuk saha kawas nyaho baé.
K: Enya


_______________

*) Tina paririmbonna hiji mantri guru di kampung, waktu ngasuh barudak kelas I, mapay-mapay jalan kampung.

1) Dina ogé témbong tabéat budak embung kaéléhkeun, nyaéta tabéat kaunggulan. Nu matak nyebutkeun Cikundul, baning ku hayang némbongkeun kaunggulan bapana, sabab kahormatan bapa mah sarua baé sareng kahormatan dirina.

2) Kecap osok, biasana ngan diucapkeun ku barudak baé (Kindertaal).

3) Tabéat urang Sunda, resep ngarajék kecap mimiti; mangga bandingkeun sareng "beurat nyuhun, beurat nanggung, beurat narimakeunana" (taaleigen).

5) Tabéat budak sok hayang ngadedetkeun batur, supaya hina batur uncul sorangan (sipat kahasudan, égoisme, afbreken).

6) Tabéat kaunggulan, narik kana karahulan (overdrijving).

7) Tabéat cara nu ka 5

8) Harita timbul rasa kitu, harita ciucapkeun, sipat budak tara bisa ngandung rasiah (openhartigheid).

9) Nu ditataan téh sakur nu ngagétkeun ka maranéhanana, nu kapanggih ku bireungeuhna, pangdéngéna, pangambeuna, péndékna nu kapanggih ku pancadriana, sabab akal sareng timbangan mah (logika) teu acan terbuka.


Gunem catur indung sareng anak umur 7-8-9.

- Euleuh, Ma, apan uing mah neuleu gajah.

+ Di mana?

____________________

10) "Sagedé kitu" téh lain maksudna badé ngabandingkeun nanging némbongkeun sipat kagedéanana (vergelijkings-denk vermogen is nog niet ontwikkeld). "Sagedé kitu" téh babasan budak, rajeun diganti ku "sagedé nanahaon".

11) Nu matak ingetanana los-los kana dihakan, margi pikiran budak mah caket naker kana kahakaneun téh. Lampah budak mah mung barang dahar, sare sareng ulin.

12) Serdadu téh dina kanyahona barudak kampung mah jalma kasar pisan, nu matak pokna ogé mani dihakan, teu didahar (didaang).

13) Budak mah tara bisa méré katerangan ku margi éta mung saukur maksa baé kedah percayana batur téh. [ 111 ]

- Di ditu[3], di alun-alun.

+ Iraha?

- Tadi basa ka pasar eujeung[4] si Uwén.

+ Kitu[5] ma geuning gajah mah.

+ Kitu kumaha?

- Kitu baé; maké aya nu ngambayan.

+ Enya tulaléna.

- Enya, tulaléna cenah ogé. Jeung ceulina téh aya rubak mani sagedé haon[6].

+ Enya, aya sagedé hihid mah.

- Na ema geus nyaho gajah.

+ Puguh baé. (Matana gular-giler, ka luhur ka handap, nginget-nginget deudeuleuanana).

- Jeung huntuna[7], ogé panjaang téh. Ih, matak gila.

+ Lain huntuna5), sihungna kituh.

- Euh, sihungna éta téh.

- Jeung sukuna téh ditalian5) ku beusi. Teu sieun-sieuneun leupas. Ih, kuring mah gila neuleu tulaléna diacungkeun. Mani calawak. Sok ngakahan jelema nya ema ari gajah mah[8].

+ Ih tara. Gajah mah kabeukina kalapa.

- Paingan aya nu méré geuning.

+ Ku saha?

- Teuing, da nu hideung geuning[9].

Geus baé ngan sakitu tina hal gajah mah, tuluy baé nyaritakeun deudeuleuan séjén nu teu sakumaha matak haraneunana: kuda aralus, monyét; da ari singa jeung méong mah harita téh geus dikubeng ditongtonkeun maké bayaran.

Sim kuring parantos nyobi-nyobi ngahiras hiji budak sakola kelas II, murid kelas IV nyaritakeun hal gajah, didadak harita, sapertos nu ngadongéng baé. Pokpokanana ku sim kuring dicatetkeun sacéréwéléna.


Gajah (pokna barang mimiti).

Gajah téh sanés sato di urang, nya éta1) sato Sumatra.

Gedéna saluhureun munding2).

Babagianana awakna:

Tulaléna, sihungna, sungutna, ceulina, awakna, buntutna, sareng sukuna3).

Bangunna tulaléna buleud panjang.

Bangunna sukuna buleud panjang bebeng.

Kahakananana: jukut, kalapa sareng sajabi ti éta4).

Gunana gajah sok dianggo tongtonan sareng di (hilap deui) sok dianggo narik roda.

Upami parantos paéh, sihungna sok dianggo ngadamel bolaparanti maén bola, kancing, pipah sareng seueur-seueur deui.

Gajah sk ngaruksak kekebonan, nya éta kebon sampeu, kebon tiwu sareng sajabi ti éta.

Hirupna di leuweung ngabubuhan.

Ieu di handap hiji karangan buatan hiji jalma kaluaran ti sakola MULO, anu saméméhna sakola Walanda baé.
_____________________

1) Ieu bahasa ilahar pisan sok dipaké di sakola, malah sok hambur teuing, beunang disebut basa sakola baé.

2) Wayah kitu mah budak téh geus diajar kana babandingan.

3) Tacan bisa imeut niténan, geuning aya kénéh nu kaliwat matana.

4) Babasan sakola, nu sok nganteur kana kakedulan, ku ayana ieu kecap babari naker ngahékok di dinyana téh mun teu kitu pokna, “sareng seueur-seueur deui”.

Mun ditilik gemblengna tétéla di budak pantar kitu téh omonganana masih paripisahan, teu ngaruntuy pakait-kait. Katurug-turug ku guruna sok diajar di kelas I mula, lamun nyaritakeun hal barang téh: 1. ngaranna, 2. rupana, 3. babagianana, 4. bangunna, 5. gunana, jeung 6. hargana; tacan bisa ngagunakeun kecap-kecap panyambung. [ 112 ]

IV

Gadjah

Gajah téh hiji sato anu kacida gedéna.

Di dieu di urang di tanah Jawa teu aya sato nu kitu téh.

Katingal ogé sakali-kalian dina komédi kuda, kitu ogé dicangcang atawa diranté, ditungguan ku nu geus biasa miara gajah[10]. Kabiasaanana nu nungguan téh hiji jalema hideung, nu ku urang disebut urang Keling[11]. Sababna di tanah keling anu loba gajah téh. Di ditu sato kitu[12] hirupna di leuweung ngabubuhanm tapi loba deui anu diingu ti anakna kénéh nepi ka lindeukna.

Toh anu geus lindeuk nu kacida gedé mangpaatna téh. Sababna ari gajah lindeuk mah ku anu boga atawa ku nu miara beunang diutah-étah, dititah migawé sagala pagawéan[13]. Anu katimbang beunang dipigawé ku gajah, saperti nyorong roda, narik padati jeung jaba ti éta.

Malahan, lamun geus kacida lindeukna mah gajah téh teu kudu dibaturan baé dina waktu digawé[14].

Saperti di paleuweungan[15] anu jauh ka ditu ka dieu, aya pakeun ngunjul barang atawa balok, gajah téh kacida gedé gawéna ngaganti kuli atawa roda di kota[16]. Sareng iceusna langkung-langkung ti sato anu pang iceusna. Seueur pisan conto-conto anu ngabuktikeun kaiceusanana gajah. Tina perkawis conto éta[17] teu kudu ditulis, dina buku-buku dongéng ogé loba.

Tabéatna gajah sami sareng tabéatna hiji dua sato di urang, sapertos munding, domba jeung embé.

Gajah téh hiji sato anu kacida sabarna jeung teu galak, sabalikna tina dedeg pangadegna, anu sakitu gagahna, rongkahna, matak pikasieuneuna8).

Tapi sanajan sakumaha sabarna ogé sok aya baé amarahna, lamun manéhna aya nu ngagangu atawa palebah gajah nu geus lindeuk aya nu ngabobodo.

Ieu karangan hiji jalma nu parantos kénging pangajaran sambungan (Voorgezet onderwijs), nu nyarioskeun tina hal gajah. Nanging mugi kauninga anjeunna téh hiji jalma nu kalebet kana tukang kurung-karang ogé.


Gadjah

Saréréa ogé mungguh1) urang dayeuh mah meureun geus moal aya nu bireuk2) deui kana gajah téh, sabab mindeng pisan dibabawa ku kamedi kuda, nu disebut Circus téa, dipaké tongtonan; tapi ari mungguhing3) urang kampung mah teu mustahil saumurna tacan papanggihjeung gajah, sabab éta téh lain sato di urang.

Ngan baé ari ngan saukur ngadéngé baé mah meureun kabéh ogé enggeus4). Kusabab sakitu sugan baé ieu karangan aya mangpaatna ka jalma nu tacan pisan mireungeuh gajah.

Cing ayeuna urang wawanohan heula jeung pangawakanana5). Lamun urang gok papanggih jeung éta sato, nu jadi pangpangna ngagétkeun6) ka urang téh nyaéta hiji parabot pancadriana7) nu disebut tulaléna téa. Ari pandéna éta tulalé téa beunang disasandékeun kana pucuk paku haji nu ngeluk kénéh; malah kitu pisan semu geunyal8), bané tu-

8) Pikasieuneun.

1) basa kolot.

2) basa kolot.

3) basa kolot.

4) basa intelék.

5) ungkara kaayeunakeun (kakulonkeun).

6) Idem.

7) basa kolot.

8) vergelijking = peta mapandékeun téh tara aya di budak leutik énak. |}

112
 
[ 113 ]toelale mah teu boeloean, teu tjara poetjoek pakoe. Ari eta toelale teh gaganti iroeng, atawa beunang oge diseboetkeun nja eta iroengna tea bae. Toengtoengna sagede bitis boedak, tjepak tjara bagoes bagong[18].

Ari kapoehoena sagede seeng kaleng. Dina tjongona aja liang doea, nja eta liang iroengna. Eta toelale leuleus pisan, koeplak-kaplek, tapi bedas tanagana.

Gawena saperkara paragi njokot kahakanan saroepaning kalapa, djoekoet sampeu djeung rea-rea deui, sabab gadjah mah teu bisaeun dongko djeung beuheungna pondok, heuras, teu bisaeun loenggak-linggek[19] tjara badak bae; teu babarian malik soemawonna ngalieuk mah. Kadoea gawena toelale teh paranti njeuseup tjai, lamoen hajangeun nginoem. Sanggeus diseuseup koe toelalena, toeloej tjongona diasoepkeun kana soengoetna djeung tjaina dioetahkeun deui tina liang iroengna, legoek diinoem.

Ka tiloe perkara paranti ngaraksa diri, ngalawan moesoeh, sabab eta toelale teh bedas naker. Tatangkalan noe mareudjeuhna mah kira-kira sagede tjangkeng, atawa pingping kolot dibeulit bae bret didontja diroengkadkeun.

Njakitoe deui sok meulit moesoehna, kajaning manoesa atawa sato galak saroepaning, maoeng; toeloej dibeubeut-beubeutkeun. Atawa paranti geloet djeung sabatoerna. Geuning di tanah padoemoekanana mah nja eta di Soematra, nepi ka aja paribasana:

Gadjah berdjoeang sama gadjah, kantjil mati terhimpit”.

Toelale mah pangna sakitoe leuleusna teh, koe sabab euweuh toelangan. Ti dinja oerang teh ret kana tjeulina noe sakitoe roebakna, roebak manan hihid sangoe djeung malikna ka gigir teu pati ka hareup, teu tjara sasatoan sedjen. Noe matak kitoe, eta meureun soepaja gampang ngadenge saniskara noe aja digigireun djeung toekang timana, da teu bisaeun malik tea, itoeng-itoeng pangganti pangbireungeuhna. (*)

Aja daoen roebak naker aroeratan bodas, diseboetna daoen tjeuli gadjah, da siga, noe sok dipake papas dipelak dina pat.

Handapeun poehoe toelalena, narongtot sihoengna sapasang, pandjangna djeung gedena saroea djeung tjaoe galek (tjaoe tandoek), ngaranna tjoela (gading). Ieu tjoela teh djadi pakarang deui bae, paranti motong-motongkeun barang-barang. Di mezium atawa sok diseboet oge kantor Boelao di Bogor, aja tjoela poehoena sagede-gede pingping kolot, pandjangna teu koerang tina sameter.

Eta tjoela asalna tina hidji bangsa gadjah noe geus toempoer, geus euweuh bangsana deui; ajana di tanah Rusland beulah kaler djeung siberië, ngaranna „maunnouth”.

Biwir loehoer rapet kana toelalena; biwir handap teu roebak ka gigir, teu tjara biwir djalma, ieu mah njoengtjoeng monjong ka hareup; koe sabab eta, lamoen toelalena ngaroendaj teh, soengoetna katoetoepan, rekep pisan.(*) Ari matana, lamoen dibandingkeun kana djoengkerangna awak, pohara teu pantes pamataeunana, leutik teuing. Awakna pondok, meh boeleud bae, gedena saloehoereun moending Djampang.

Boentoetna tjara boentoet sapi, tapi leutik djeung pondok, teu narimbag deui bae kana awakna teh. Lamoen ret kana soekoena, bet sok inget kana dongeng boedak, madjar maneh 11) aja tihang bisa leumpang, da poegoeh enja siga, koe siga tihang teh, boeleud bebeng, meh teu katara bedana pingping djeung bitis teh. Dampal soekoena boeleud tjepak, dirioeng koe koekoe, logana 8 siki. Gedena eta koekoe saloehoereun bae boeah hondje saeutik, siga tandoek moending noe kakara modonghol. Koe sabab eta, lamoen ngalejek djalma teh lain matak raheut, tapi matak gepeng.

Roepana hawoek, tjara moending bae. Boeloena badag tjarang, koelitna kandel katjida, meh tara teurak koe toembak. [ 114 ]sorana tjengeng saloehoereun sora moending, matak gandeng naker. Kahakanana djoedjoekoetan, beubeutian, saroepaning sampeu, boled hoei djeung sadjaba ti eta, djagong, tiwoe djeung karesepna pisan mah kalapa.

Lamoen rek njatoe djoekoet, mimiti didjambret koe toelalena, toeloej dipintel-pintel, bari dikoepas-kapiskeun, sieuneun aja naon-naon, noe djadi matak; saroepaning sireum, oraj leutik, kahoeapkeun kana soengoetna. Eta tabeat gadjah ati-ati kitoe teh, nepi ka djadi dongeng, madjar maneh, sieuneun koe sireum sabab geus eleh adoe djadjaka djeung radja sireum. Geuning dina „soeten” indoeng leungeun teh eleh koe tjingir; eta indoeng leungeun teh magar ibarat gadjahna, ari tjingir minangka sireumna.

Lamoen rek ngahakan kalapa, sok dipeupeuskeun heula, koe toelalena, dibeubeutkeun kana barang noe teuas; lamoen teu daekeun peupeus koe kitoe, sok sahoeloeeunana bae dihoeapkeun, peupeusna mah ditjapek koe tjarehamna. Peta nginoemna mah diloehoer geus ditjaritakeun, palebah njaritakeun hal toelalena.

Poelo-poelo noe aja gadjahan, nja eta poelo Soematra, Borneo, tanah Malaka, banoea Afria, tanah Hindia djeung banoea Azia, djadi di poelo-poelo noe dareukeut kana chatoelistiwa, noe panas hawana bae.

Gadjah Soematra, teu galede tjara gadjah Azia, Afrika djeung Hindi.

Demi hiroepna di leuweung-leuweung geledegan, ngaboeboehan nepi ka opat lima poeloeh, malah sakapeung mah aja ratoesna. Sakapeung kapeungeun sok datang ka pihoemaeun, kadang kala sok kapilemboeran oge, nja sok ngaroeksak kekebonan tea. Moenggoeh kebon tiwoe atawa kebon sampeu mah sok taja poeloekaneunana deui, lamoen tas dirandjah gadjah teh. Ari ngaboeboehanana kieu:

Di mana keur reureuh atawa ngaso, anakna tjaritjing di tengah-tengah, toeloej di lioeng koe kolot-kolotna, aja doea tiloe lapisna sakapeung mah.

Di mana rek loemakoe hidji djaloena diheulakeun, lir oepama radjana. Bikang-bikangna djeung djaloe-djaloe noe sawareh deui, noetoerkeun pandeurieunana, bari ngalingkoeng anakna. Lamoen di djalan pasampangan papanggih djeung djalma, masing disingsieunan dikoekoemaha oge tara daekeun njimpang, anging lamoen anakna miheulaan balik deui atawa mengkol ka tempat sedjen. Dina saboeboehan teh leuwih loba bikangna manan djaloena. Peta mikanjaahna ka anak moenggoeh disato mah geus hese bangsana bae, sabab noe maliharana teh ieu mah lain indoeng bapana bae, tapi sabatoerna saroea pada ngaraksa. Gadjah teh kaasoep kana sato koelit kandel djeung kaasoep kana satoe noe loba koekoena atawa talapokna, tjara badak, babi roesa djeung djaba ti eta. Nja kitoe deui ieu hewan teh kakongaskeun pisan hidji mahloek noe ngarti djeung noe sok neuteuli, males kanjeri. Tjontona:

Geuning dina kamedi koeda, sakitoe matak loetjoena, didangdanan tjara djalma, didioekeun dina tahang mani siga toean gembroe; dititah ngagorolong-gorolongkeun bal djeung rea-rea deui pangabisana.

Di leuweungna, lamoen maranehanana rek meuntas, lain dikieuna ati-atina teh, mimitina ditjoba-tjoba koe kolotna; lamoen sakira anakna teu bakal bisaeun miloe mah, tara djadi ieuh.

Lamoen rek nandjak ka pasir anoe neukteuk atawa goerawes, sok disengkedan heula koe gadingna baris paneteanana. Djeung rea-rea deui tingkah polahna, noe nembongkeun kapinteranana.

Demi tandang sok neuteuli kieu: Lamoen aja anak gadjah noe dipaehan, sababatoeranana pada ngarahna ka Si noe maehan teh. Lamoen doemadakan paninggaran teh naek, toeloej bae tangkalna disoengkoeran, digangsir atawa digadilan koe sihoengna atawa diteunggaran koe tarangna, nepi ka roeboehna.

Lamoen teu kaajah harita, dimana papanggih deui, sok toeloej bae dipinda deui.

Pirang-pirang dongeng-dongeng gadjah, njaritakeun kapinteranana Koe oerang Siem mah apan geuning diagoengkeun naker, lantaran aja asal oesoelna, malah bandera Siem mah make digambaran „gadjah poetih”. Radja-radja Djawa djaman [ 115 ]baheula oge kawas njakitoe ngamoeljakeun kana gadjah, geuning boektina ajeuna oge di karaton Solo aja keneh kandang gadjah noe dimoelja-moelja pisan, di Karaton Soeltan Kanoman Tjirebon aja toetoenggangan sabangsa gadjah, noe diseboet „naga liman” tea, di pajoeneun sawareh kaboepaten saperti di Tjiandjoer di djoeroe aloen-aloen beulah kidoel wetan, aja hidji saroepa soemoer ditembok dipalihara, diseboetna „pamandian gadjah poetih”.

Dina palebah mangpaatna teu koerang-koerang noeloengna ka manoesa. Di tanah Malaka, tanah Hindi djeung tanah Azia mah gadjah teh dipalihara, minangka moending atawa koedana di oerang bae, nja eta sok dipake narik padati, dititah ngagoesoeran balok atawa tjatang-tjatang djeung sok bisaeun djeung ngentepkeunana, sok ditoempakan, samalah aja hidji radja di Hindi, ari angkat-angkatan teh sok dina gadjah karadjaan.

Moen oerang njeueungan gambar-gambar baheula, tjara gambar-gambar dina boekoe sadjarah poelo Djawa, karangan njonja Fruin Mess, radja di oerang oge baheula sok taroenggang gadjah.

Ieu tjonto hidji adeg-adegan basa Soenda djaman kiwari karangan hidji ahli basa, noe teu ngamomorekeun kana oengkarana Soenda asli.


VI

Ieu serat kabar lahir ka doenja, djadi panjamboeng tjatoer ngembarkeun ─ sorana Soenda. Tibarang Loetoeng-kasaroeng dipedar koe pakoempoelan Java Instituut, poesaka wedalan Soenda anoe meh kalen kapendem, broeh-breh miloe kagoear, katjaangan koe wahjoena Soenan Amboe, anoe toemoeroen ka pakalangan Pantja-tengah ka Soendaan. Ebrehna soegri anoe djadi boekti, boekana si gotaka Soenda, nja dina ieu serat kabar, pibariseunana. Nja ieu anoe baris djadi pamelaran, pangdadaran saniskara poesaka titinggal karoehoen di djaman boehoen, djeung anoe bari naloengtik latjak kabinangkitan anoe masih ajeuna eukeur ditintjak. Doepi anoe baris pingoengkabeun djeung anoe pintjoedtjroekeunana kaitoeng parentjoel, kokodjo Soenda geus rendang di oenggal tempat, nja arandjeunna anoe kedah ngoemboehkeun sadaja panemoe poesaka elmoe anoe masih batjatjar di mana-mana, sina moengpoeng moengpoeloeng sangkan liar tina sasoengapan, sarerea walatra kabagi rata, sanak kadang anoe bakal pingoendangneun.

Djisim koering teu seunggah teu wegah, ngamoedi ieu serat kabar reugreug pageuh nja hate toer pertjaja ka para mitra sadaja. Geus teu ad-ad teu asa-asa, henteu hamham-hamham atjan, menggah koering mah, tangtoe ieu serat kabar teh bakal djadi padoemoekan poestaka Soenda, njoemponan karep Java-Instituut, djadi silah anoe sakoelah-sakoelah djeung sadaja oerang Soenda.

Anoe ieu kapitonkeun nembe tjonto bae, engke ari saladjengna mah eusina oge baris diatoer deui, sing oelah doegi ka matak ganggarateun noe maraos. Laksana sapanedja.


VIII

Basa noe koerang malire kana oengkara basa, elmoe basana sareng atji-atjining rasa Kasoendaan.


Pihatoer ka sadaja paramaos.

Tina margi poen Pangarang nembean pisan ngarang ngadangding wawatjan, tangtos pisan seueur lepatna batan leresna, nja kitoe deui seueur awonna batan saena.

Koemargi kitoe disoehoenkeun ka sadaja para maos rido ngahapoenten kalelepatanana poen Pangarang.

Kalih perkawisna deui, noe mawi poen Pangarang koemawantoen koeroeng-karang ngagoerit ieu wawatjan, sanes pisan oemangkeuh oenggoel pangartos, teu eta [ 116 ]mah tetebiheun, moeng etang etang keur diadjar ngagoerit dangding, loewang-toe-wang tina gawe.

Djabina ti eta hatoer tingali ka sadaja paramaos ieu tjarios wawatjan anoe pa-rantos ditoneelkeun di Pandopo Kabotpa-ten Tasikmalaja, koe sadaja mitra-mitra Inl. Personeel Geweskelijke Ziekenhuis ka-lajan sih tresna Padoeka Rangdjeng Da-lem Adipati Wira Tanoe Ningrat, officier Oranje Nassau Orde, Boepatos hingrat Tasikmalaja dina waktosna pesta ngiring bingah ka Sri Baginda Maha Radja Wil-helmina, Ratoe Poetri di Nederland, kale-resan ngastana karadjaan, kalajan moeloes bangloes teu aja kakiranganana.

Namoeng tina margi dina toneel kirang waktosna, nja eta moeng sawengi, djadi kapaksa teu tiasa doegi ka toetasna ageung bentenna sareng noe diwawatjankeun, ka-woewoeh nami-namina noe djadi lalakon oge seueur noe dirobah, koemargi eta di-soehoenkeun ridona paramaos kaoelanoen.

Adeg-adegnana basa Soenda, noe dipake njalin basa batoer, noe kirang ngemoetkeun poeewadahsina kasoendaan.


IX.

Wartos ti Pajoen (Voorbericht).

Ieu boekoe elmoe basa, ditjadangkeun keur baroedak noe geus madjoe oemoerna antara 15 nepi ka 18 taoen, noe koe djalan pangadljaran basa noe biasa katoekang toe- kang, geus meunang kabiasaan makena basa toerta eta kabiasaanana teh ngadjak (mawa ka maranehanana kana ngamadjoe- keun perasaanana kana basa tina djadi panilikan tina elmoe basa noe make dada- sar kapinteran. Anoe kaitoeng kadinja teh nja eta djalma pigoeroeeun, noe di achir ba kal koe maneh ngadjar elmoe basa ka noe lian, djeung djalma noe pibakaleun djadi djoeroe karang atawa baris toekang njari- ta di harepeun djalma rea . . . . .

(Djeung satoeloejna).

Salinan noe aja dina wewengkon marga loejoe kasoendaan, asal tina basa Walanda.

Voorbericht (Saoer toean Pleyte mah: Saketjap ti pajoen noen).

Ieu boekoe diwastaan Elmoening basa . . . . . . ditjadangkeun keur batjaeun baroedak noe geus tamat sakola handap, nja eta noe oemoerna kinten-kin-ten antawis 15 doegi ka 18 taoen. Keur waktos di sakola handap maranehanana parantos dialadjar elmoe basa, nanging tatjan tjekap, amoeng saoekoer pioboreun keur memeres petaning tjoemaritana sa-ari-ari bae, oelah doegi ka mendak kaloe-loepoetan dina hal nerapkeunana roepi-roe-pi raranken sareng ngeunteupkeunana rasa tina hartosna ketjap-ketjap.

Ari keur djalma baris pigoeroeum mah atanapi keur djalma noe bakal djadi djoeroe karang nja kitoe deui keur djalma noe bakal djadi toekang leseng (toekang tjoe-maries di pajoeneun djalma seueur), ka oeninga sakitoe teh teu atjan tjekap eta rasa kana basa noe parantos kapimilik ta-di tea, kedah dianggo parabot baris ngoe-lik tlmoening basa noe leuwih djero sing nepi ka njahona kana Elmoening basa noe saenjana. Tjeuk timbangan sim koering, oepami maranehanana bisa mibanda eusina ieu boekoe, geus kenging oge disebatkeun tjekap pangartosna tina ieu perkawis . . . . .

(Sareng saladjengna).

Basa Soenda boeatan hidji Boedjangga Soenda ahli ilmoe „Kasadjatian”.


XI.

Lebaran.

(Sinom).

  1. Lebaran di Kahyangan, leboer tjeungtjeuman sasari, ria-ria saboewana, njampak betah sakiwari, kiwari beda deui, njalindoeng ka „koen pajakoon”, kieu paja kitoe paja, oeroet tadi siksik melik, alak-ilik barina djeung oendoer toekang.
  2. Teu ari balas njoreang, SOEKA kaandih SOEKINGKI, siki kahidjab koe sangka, POESAKA ka silih wangi. [ 117 ]
SASAKA-DOMAS tadi, RATOE GALOEHNA keur ripoeh, MENAK PADJADJARAN njomah, PAKOE-ADJI kalah.ADJI, Adji-saka poesaJca bawa sorangan,
  1. Sorangan bangbangkolentang, beu-rang sabeurang sapeuting, katiisan kapanasan, hoedjan angin teu dihi-ding, nandangan woeroek aki, ,,nja moendjoeng koedoe ka indoeng, in-doeng noe tara moegoeran", bapa noe kotjap pinoedji, pamoedjaan ,,noe tara moenggaran" tea.
  2. Bilangan doeloer noe opat, kalima pan- tjer pribadi, deg ngadeg disaoekoeran, , bawana koer'anoel adim, BRAJNA koer'anoelpadjri, dipoenggoe koe ,,ben-tang timoer", moerangkalih sakoeroe-ngan, koeroengan disanoebari, rara-mean lebaran koe PERBOEKANA.
  3. Patamanan sawarega, nelah ,,pidjan- natina'M" direntjangan MALAE- KAT, diiring koe. WIDADARI, riabna sapribadi, dioegoeng di bale bandoeng, disembah dipoedja-poedja, poedjina mahi koe HIDJI, hidji soteh hoedjah menak Padjadjaran.
  4. Doeka ngadjadjar djeung saha, patoe- toengi djeung priboemi, patelak djeung semah, anjar, rapih-rapih. sakiwari, rioeng sapirioempi, pileuleujan ,,poe- lang tandjoeng", samodja di astanana, deujeuban koe salasih, salah asih poe- saka roedjad koe rasa.
  5. Rasa teu ninggang mangsa, mangsana mangsining ati, titi soerti kaboedjanggan, kapangkatan para Wali, wali di Goenoeng-djati, djati-amparan noe nempoeh, nempoeh dajeuh Padjadjaran, Ratoena ka Siliwangi, wawangenna poelihna koe kasabaran.
  6. Bagian anoe nandangan, intjoe-poetoe-na kiwari waris tedak „DIKOESOEMAH”, lantoeng ka „djabaning langit”, noe boga „milik poetri”, ngabedah „Goeriang toedjoeh”, toedjoeh soteh panoedjoena, nekanan DJANGDJINING PASTI, titimangsa PERBOEKA di kadalapan.

Tah, tjobi mangga lalenjepan, raraos-keun, djareudjeut, naha aja bentenna dina palebah oetjap-oetjapanana, nja kitoe deui oengkarana basa atanapi Sami bae? Sim koering geus teu sak deui, pertjanteun pi-san sadajana oerang Soenda anoe parantos kapandjinganana elmoe pamilih mah bakal sami pada ngajaktoskeun sareng njarak-sian kana kajakinan sim koering, jen dina saban-sahan golongan djalma teh aja oengkarana sareng warna ketjapna sorangan, anoe tara biasa diparake koe galongan se-djen. Tetela pisan oengkara basa dina ka-rangan No. VI sanes deui pisan sareng oengkara basa dina karangan No. 1; oeng-kara No. VI sanes deui sareng No, XI. sareng saterasna.

Na mana atanapi na naon atoeh banten na teh?

Oepami kedah ditetek disebatan bari di-toedoeh toedoehkeun saroepi-roepina noe ngabentenkeun mah, sesah teuing, margi tangtos kedah dioelik heula kabatinanana manoesa (psyologie) margi tetela pisan kaajaan psyologie-na djalma teh djadi sa-oejanan sareng kaajaan basana oepami palaj oeninga kana bentenna noe loemajan bae mah, sae sing sering bae ngadangoe-dangoekeun pokpokanana noe njarios, eun-teupkeun, babandingkeun kana kaajaan oemoerna sareng boedi akalna, Koe kitoe oge engke tangtos kaoeninga elmoena.

Koemargi noe di maksoed koe ieu paead-vies, bade njarioskeun kamistianana basa boekoe basa hidji-hidjina golongan djalma, sim koering baris neraskeun tjoemarios ka sakoer noe sok kersa koeroeng-karang bae, Sadaja oge tangtos parantos pada aroeni-nga, jen roepina basa noe aja di djero boekoe teh aja doea roepi.

I Basa noe diangga njarioskeun, nga- dongengkeun.

II Basa teplakan, tjiptaan tina basa noe keur ditjarioskeun, tjontona: Tjarek si Ahmad: „Sa, oeing mah moal miloe[ 118 ]I. Koedoe koemaha basa noe dianggo ngadongengkeun teh?

Milihna, masieupna basa dina palebah dieu, kedah diemoetkeun (ditoedjoekeun) ka si noe rek dipang dongengkeun tea (noe rek diasoran atanapi kenging disebatkeun si noe rek diparaban).

Naonana noe kedah di emoetkeun teh? a. Basana koedoe soeroep djeung basa maranehanana. b. Teangan basa noe pikaresepeunana. (Oelah lali: Ari eusina noe bade ditjarios- keun mah misah tina basana; sanes deui patokanana. ,

Oepami mentjok tina palenggeran noe kasebat di loehoer, tangtos eta karangan moal dipikaresep, margi hatena si noe matja moengkir tina panarimana, teu wa-woeheun, margi ngaraos sanes Anoena; nanging ngaraos anoe deungeun bae, teu soeroep sareng lelemboetanana. Kateranga-nana:

Oepami aja hidji boekoe ditjadangkeun batjaeun baroedak oemoer 9-10 taoen, noe njarioskeun kalakoean awewe di pa-kampoengan dina wantji tengah dinten, basana di atoer kieu:

„Moenggoehing galib di kampoeng dina waktoe mentrang-mentring, tengah poe noe moreret, indoeng baroedak narahaaj, tinggoleah dina bale, noe ngora njang-hoendjar lambar, ngalahoen sirah embok-na, anoe eukeur disiaran, panon embok geus tjeuleujeu, mata boedak geus simout-teun, tamba toendoeh ngadjak ngomong, ka noe eukeur disiaran, djawabna tjoekoep koe heeh” ... (sareng saterasna), tangtos moal resepeun, moal kahartoseun Maksoed-na, moal kagambarkeun eusina, moal ka-rasaeun ka saeanana eta basa, Nja kitoe deui sawangsoelna.

II. Dina palebah neplak, niron-niron omongan batoer, oerang kedah asa ngagentos rasa sorangan kana rasa noe bade ditoeroetan tea. Oepami teu meneran, tangtos gandjil. Sim koering parantos maos hi-dji karangan noe njarioskeun omongan boedak oerang lemboer 9 tahoen, kieu pokna:

„Noehoen gamparan sim abdi parantos dipasihan ieu boekoe, tangtos koe abdi baris dibatja saban wengi sareng diemoet-keun pisan sakoemaha piwoeroek gamparan”.

Pirakoe, moal kadjadian boedak oerang mah kitoe petana dina palebah nganoe-hoenkeun, soelaja tina adatna oerang Soenda.

Sanadjan koe praeadvies mah noe di-maksad teh njarioskeun Lectuur, nanging koe sim koering baris di dadar saeutik-eutikeun pamendak sim koering tina hal boekoe batjaan, margi lectuur sareng ba-tjaan sakola teh estoe paoejoen-oejoen pisan.

Kadoeana pada kedah ngeusian papagon-papagon sakoemaha noe parantos di dadar tadi di loehoer tea.

Moerid sakola kelas II teh mimitina nampi boekoe batjaan teh ti klas II; dja-di ti oemoer ± 7-9-10 taoen.

Omonganana baroedak oemoer sakitoe teu atjan parandjang, seuseueurna ngan tiba tiasa nembongkeun maksoedna noe di- pikahajang koe maranehanana bae. Nga- donigeng mah meh teu atjan tiasa, sok djiga tiasa soteh bane di toengtoen koe goeroe. Pikiranana masih ngemoetkeunkeun ka- sorahganana keneh Eunteupna kanjaah kakara tiasa ka indoeng bapana sareng ka doeloema, kitoe oge ari kadoeloer mah radjeun maseaan keneh. Watek masih em- boeng kaelehkeun. Sareng sadjabi ti eta. Koemargi kitoe kaajaanana boekoe batjaan barisna oge kedah disarandekeun ka dinja, oelah mentjog tina :kaajaanana; boedak.

Ieu di handap tjonto basa boekoe batjaan anoe ditjahakkeun kana pioemoereun-ana baroedak. Mangga, lalenjepan, tinga-lian tangtos katawis robahna basa iketan-ana omongan, oengkarana sareng ketjap-ketjapna.

Ieu di handap tjonto pibasaeunana boe-koe batjaan, noe ditoedjoelkeun ka hidji-hidji golongan.

Pi basaeun boekoe batjaan, keur boedak oemoer 8-9-10 taoen, njoeta moend klas II + II. [ 119 ]

Nimoe endong.

Ahim oelin ka tegal rek ngala napatong.

Na kitjente teh inggoej? Di sampeurkeun koe Ahim. Hajang njoho, aja naon? Aja manoek hiber ti dinja bari tjit tjitan. Euleuh aja endog.

Toeloej dirongkong. Tjoetjoek kitjente teu dirasa. Leungeunna barared, djeun teuing. Aja atoh. Lah, teu nepi. Leungeunna pondok teuing. Koemaha akalna, nja?

Bĕrĕbĕt loempat, njokot bedog, ketjlek-ketjlek bae ditilasan regang noe ngahalangan teh. Euleuh mani aja lima. Limaanana di tjokot. Mani-loempat balikna teh, haning koe atoh. Boeroe-boeroe njampeurkeun ĕmana, rek bebedja. Djeung satoeloejna.

Pibasaeun boekoe batjaeun baroedak oemoer 10— n'k' taoen moerid kelas III n'k' klas V.[20]

Nimoe endog..

Dina hidji poë Ahim oelin ka tegal rek ngala papatong. Teu koengsi lila, marehna neuleu tangkal kitjente inggoej. Koe sabab panasaran, toeloej disampeurkeun. Barang geus deukeut, geleber aja manoek hiber, bari disada tjit-tjitan, bangoen noe reuwas djeung sieuneun. Ari direret kadjero roengkoen, bet aja sajang manoek dieusi endog lima. Ditjoba-tjoba dirongkong, tapi teu kakodok; da leungeunna pondok teuing. Leungeunna barared koe tioetjoek kitjente, tapi teu dirasa ieuh, bawaning koe atoh, manehna njokot bedog ka imah, keur nilasan regang noe ngangokan tea. Barang geus molongpong, tjoeloej ditjokot endog teh kabehanana sarta berebet loempat poepoelih ka nidoengna.

Djeung sateroesna.

Ajeuna tina hal lectuurna.

Noe disebat lectuur teh pakoempoelan boekoe-boekoe batjaan, moeng lectuur mah teu dibeungkeut koe patokan-patokan noe dianggo ngatoer boekoe batjaan sakola, apan geuning ari keur boekoe batjaan mah nganggo kedah diemoetkeun pandjangna hidji-hidjina tjarios, diatoer disoeroepkeun kana waktosna pangadjaran; dibagi-bagi djadi sababaraha pasal noe parondok, satjekapeun baris sakali atanapi doea kali pangadjaran. Doepi boekoe lectuur mah teu kedah diatoer kitoe, lalakonna biasana sok pandjang sareng rame atanapi aneh.

Koedor koemaha eusina? Tangtos aja papantjenna (patokanana), noemoetkeun anoe rek dimaksoed koe noe ngarang. Di dieu koe sim koering moal diterangkeun. Moeng noe bade didadar teh basana bae. Basana mah nja kedah noemoetkeun patokat noe kasebat di loehoer tea bae.

Soepados tiasa ka oeninga mah, ieu bae tjontona diserat di handap, nganggo toejoelan ka noe baris pimatjaeunana.

Kinderlectuur.

Dongeng baris batjaeun baroedak oemoer 8 nepi ka 11 taoen, kira-kira klas 2 nepi ka klas 3 sakola kelas II.

MOEKADANA-MOEKADINI.

„Moekadana! Moekadini! Joe, oerang ngala boeah tangoeloen!” Tjeuk bapana.

„Hajoe!”

Djoeng arindit ka leuweung, rek ngala boeah tangoeloen.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

„Dagoan, di dieu, di handap; oelah kamarana-mana.”Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

Terekel bapana naek.

Kop ngala noe-hideung. Am, dihoeapkeun. Pek, ngalaSalah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi noe beureum, belewek dihakan.

Anakna mah teu dibere.

Tjeuk Moekadini: „Bapa, oeing poeragan noe hideung?”

„Euweuh, noe hideung kabeuki aing!”

„Noe beureum-beureum?”

„Euweuh, noe beureum kabeuki aing!”

„Noe hedjo-hedjo?”

„Noe hedjo, kabeuki aing!”Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

„Noe atah-atah?”

„Noe atah kabeuki aing!”Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

. . . . . . . . .

„Eh! teteh oerang balik bae, da bapa mah geuning kitoe”. [ 120 ]Djoeng Moekadana, Moekadini arindit. Teu baralik ka imah, daSalah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi paroendoeng.

„Moekadini, oerang maringgat bae, bongan saha bapa mah geuning kitoe. Teu njaaheun ka oerang”.

Henteu poegoeh noe didjoegdjoeg, leumpang sakaparan-paran, noeroet-noeroet indoeng soekoe.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

Ngaringkig bae doeaan.

Lah teteh, koering mah tjape! Oerang eureun heula bae di dieu”.

Reg, areureun sisi djalan.

Ngioehan di saoeng kosong.

Katjaritakeun bapana.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

„Moekadana?” Euweuh.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

„Moekadini?” Repeh.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

„Kamarana? Boa baralik”.

Toeloej toeroen! Enja euweuh.

Bral balik.

„Mana ari baroedak?” tjeuk emana.

„Na, euweuh baralik?”

„Euweuh ka dieu mah!”

„Boa paraondoeng?”

„Na teu dibarere?”

„Nja eta atoeh tatjan.”

Segroek emana tjeurik.

„Ah rek diteangan bae koe koering”, tjeuk indoengna bari njoesoetan tjimata.

Bral emana indit, ditoetoerkeun koe bapana.

Diilikan ka kidoel, euweuh.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

Diilikan ka kaler, euweuh.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

Diilikan ka wetan, euweuh.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

Bral bae leumpang.

Lila Kadeuleueun, lapat-lapat; laleutik teh. Keur ngaroengkoeg bae doeanana. Leumpangna teu loeak-lieuk.

„Toeh geuning, bapa itoe baroedak teh.” Segroek deui emana tjeurik bari digeroan:(Ngawih).

Moekadana-Moekadini, he ieu boeah tangoeloen, anoe asak, anoe hideung, anoe beunang ngireng-ngireng (ngira-ngira).Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

Tapi koe Moekadana-Moekadini teu kadengeeun, tonggoj bae laleumpang.

Beuki lila, beuki deukeut, beuki lila, beuki deukeut.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

Ngong deui koe indoengna ditjaloekan:

Moekadana-Moekadini, he ieu boeah tangoelan, anoe asak, anoe hideung, anoe beunang ngireng-ngireng.

Ajeuna mah kadengeeun, koe Moekadana-Moekadini, toeloej didjawab: (Ngawih).

Bapa emboeng, ema emboeng, da bapa mah weureu seubeuh, tampa lenga, koelimis tampa lelenga.” . . . . . . . . .

„Eh, bapa geuning toeloej bae baroedak teh. Segroek emana mah tjeurik deui. Ngong deui ditjaloekan.

Moekadana-Moekadini, he ieu boeah tangoeloen, anoe asak, anoe hideung, anoe beunang ngireng-ngireng.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; referensi tanpa nama harus memiliki isi

Ret direret koe Moekadana-Moekadini, pok didjawab:

Bapa emboeng, ema emboeng da bapa mah weureu seubeuh, tanpa lenga, koelimis tanpa lelenga.

Djoeng deui diaroedag. Tapi weleh teu kasoesoel. Baroedak mah leuwih gantjang laleumpangna. . . . . . . . . . . .

„Ah, bapa, oerang baralik bae, da tjape”.

Toeloej bapana djeung emana mah baralik deui. Ari baroedak mah tonggoj bae, laleumpang.

. . . . . . . . . . . . . . en. enz.

Lectuur keur intellectueelen.

Sekar sarina Soenda asli.

Koe sim koering parantos diintip, disaliksik, disiaran saeutik-saeutik, digoear dipisah-pisah, bet dina basa oerang teh, aja sari noe eunteup dina keresep anoe kitoe

KATERANGAN.

4) Adas Soonda sok dibalikan deui, minangka pangleleb *) Adat Soenda ngantebkeun’ koneh bao. Adat soenda sok maiikan katjap, tadi gous di- sehoackeun ngala, toston! disetortkeun deui dae,

) Adet Soenda sok resop nataan kitoo 4) da sakarti dieung srbeh, Sapi vada kaboodakkeun, bonnang disehostkeun’ basn bocdak, §) Babasan Soonda wsl:, koe @mane seu karasaeun, jon eta omongan lochoer touing keur boedak' mah. &% Omongan kitoo biasa pisan Jamoen rek ngaganti noe rek dilalakonkeun: ‘loonda lalakon ,.., katjaritakeun :.. . 7) Adat Soonda, tir, No, J—2— 3, 8) Mera ‘kateraugan No, 7.— §) Karesep Soonda, kana ngnwil:, boeduk 920 Leia saroepa lalagcean,


oa njonroep ikarwsa koe si soenda mab, kalagjooa” 7 ote Ingon dieung kaxjaanana boadak.

®%) Saperti kabrngan No, 8,

Totela omanganana noeroctlceun kaajaan boodak,

taretela pararondok, tapi loajon. 3


sis [ 121 ]dina rasa, noe teu beunang disababkeun, ngan woengkoel milikna rasa. Noe geus kapendak aja sakieu:

I a. Babasan, b. Paribasa djeung c. Sisindiran; tjontona:

Njanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, soekoe genteng belokeun.

Kaoentoen tipoeng katambang beas, laksana noe dipimanah.

b. Tjetjendet mande kiara.

c. Lain bangban lain patjing, lain tjampaka koedoena.

II. Omongan radjekan, noe geus maranti.

Djaoeh mo boeroeng tjoendoek, anggang mo boeroeng datang.

III. Omongan radjekan, noe bitoe tina rasana noe ngarang bae. Lastari noe dipiati, laksana noe dipimanah.

IV. a. Omongan noe dalapan-dalapan engang:

Geus kitoe toeroen soekma teh (8), asoep kana wewetengan (8), njoeroepan ka moerangkalih (8), sanggeus kapandjingan soekma (8), moerangkalih sasaoeran (8), dina djero wewetengan (8), ari kasaoeranana (8): „Ama teh kabedil langit (8), kabentar mega, kalingkap katjida, teuing (8), ..pandita Goenoeng Padang (8), padahal teu boga dosa (8), geura raoskeun bae, tangtoena ge bakal males (8), tapi engke dina Goeroe poetoe Hyang Bajoe, Goeroe poetra hiang Banga (8), koe ama geura raoskeun (8), di dinja jen bakal males (8)”-

(Tina kitab Tjioeng wanara).

b. Omongan doea welas doea welas engang: (Tjontona seueur oge dina boekoe-boekoe noe rada heubeul).

V. Poerwa kanti.

a. Sora pandeuri, kapanggih pandeuri deui dina omongan kadoea.

Itoe toungteung (eung).
Ieu loedeung (eung).

b. Sora dina ketjap ti heula, kapanggih deui dina ketjap pandeurieunana.

Idin goesti matak moek ti (i).
Idin radja matak moel ja (a).

c. Saban omongan malikan sora ti heula:

Beurat njoehoen,
beurat nanggoeng,
beurat narimakeun inja.

d. Ketjap pandeuri diheulakeun dina omongan pandeurieunana:

Moegi euis masing jasa,
jasa noetoepan balahi,

djeung djaba ti eta..........

e. Sora omong! ice dina omongan noe nema Ojong, ojong bangkong, kong parangkat ajamboet, doeten boeah beunzing, nyingsat ka tjawene, YI a. Ketjap bitoe tina raga; Hedjo lalakon. Rumbas tjarila. Tilam sono. Kabedil galih b. Neadjerit maratan langit. Ngotjeak wratan mega.


an





pandeuri, diheula- . pred bs me bee



Tou atji-atjining rasa kasoendaan, noe sok bitoe kana cetjap. Timhangan sim koe- ring mocga oclah dilalikeun koe noe mak- sad ngarang hockoe, aoseun noe geus save- poch, soepados oelah kasaroeng, pegat tina yaos asli, sangkan Soenda tetep Socnda, oelah kaboor pangabjian,

eacsveseeoseanvonenneceereteog

§ djahan aksara Soenda

$ Prae-advies ;

& Rad. Djajadiredja 3

Yoonecosvanceszaseronaoseooena Boeboeka.

Samemehna aja bockoe sralesaives & noelisieun basa Soenda”, edjahan aksara Walanda teh, boh dina sistratan boh dina borkoe-boekoe titak tooran. anoe pasalia, Nanging kabah

vantosna aja atoeran, pa kenging di ‘ok. pirakoe deui, oepami hantém, anggér teu snvejoe- pan, teu rata atoeranana teh, da ajeuma mab parantos aja tjalétjtr keur anggér-






tie guegir, aja galocr toctoerkeuneun.

Koemaha ari edjchan aksara Soenda? Ménggahing edjahan aksara Soenda, ka- ajaanana saajeuna, nja teubenteénsariing atocran edjahan aksara Walanda waktos

A nel 12h

Oktober-Desember1924.max. [ 122 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/65 [ 123 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/66 [ 124 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/67 [ 125 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/68 [ 126 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/69 [ 127 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/70 [ 128 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/71 [ 129 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/72 [ 130 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/73 [ 131 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/74 [ 132 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/75 [ 133 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/76 [ 134 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/77 [ 135 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/78 [ 136 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/79

  1. Eta poe asalna basa Sangsrit, oenina: Reditya, Soema, Anggara, Boedha, Wrehaspati, Soekra, djeung Sanestjara. Anoe matak di ditoe aja poe toedjoeh, sabab beunang ngalap tina planet (bentang gede) anoe toedjoeh.
    Demi oerang Soenda makena poe anoe kaseboet dina boekoe-boekoe baheula noeroetkeun boelan bae, nja eta tina tanggal 1-15 diseboet tanggal boelan (Soekla paksja) djeung ti 16-30 pareum boelan (Kresna paksja), saperti: tanggal 1 dina pananggalan boelan diseboet: kasa Sjoekla paksja, tanggal 2 karo Sjoekla paksa dj. s. t.
  2. Den Hertog: De faal is de buitenkant van het inherlijk leven: Basa teh dohirna kabatinan.
  3. Dina kecap "di ditu" kakurung maksud nerangkeun kajauhanana ogé sipat jalma nu tacan asak pangajaran ingetan, tara buru-buru nyantong kecap téh.
  4. Kecap budak tina "reujeung".
  5. Dina ieu kecap kakurung karep rék méré nyaho hiji pamanggih, bané tacan beunang digambarkeun ku basana.
  6. Makéna kecap "sagedé" tuluy disambung ku "nanahaon" téh lain ngabandingkeun, ngan rék nerangkeun kagedéanana baé.
  7. Tina éta kecap-kecap témbong yén budak mah ari nyaritakeun hiji perkara téh sok ngajojoan nu anéh keur manéhanana baé, nyaéta sakabéh perkara nu ngan kaudag ku pancadriana wungkul.
  8. Cita-cita budak mah sok maléngkot kana dirina, ingetan budak mah deukeut naker kana dahar téh.
  9. Budak mah geus cukup ku nyaho hideungna ogé, teu hayangeun nganyahokeun nu leuwih jauh.
  10. ka Balandakeun lain iketan Sunda.
  11. ka Balandakeun lain iketan Sunda.
  12. ka Balandakeun.
  13. Kakuna ieu omongan kulantaran kurang makéna kecap pangluyu téh, mah, jeung téa, nu kitu ti rasa Sunda asli. Sabab, ari gajah piaraan mah ku nu boga téh sok beunang diutah-étahkeun, beunang dititah migawé rupa-rupa pagawéan.
  14. Kurang luyu, lantaran euweuh téh ditukangeunana.
  15. pileuweungan.
  16. Kurang tétéla, teu pati biasa ngokolakeun basa Sunda.
  17. lain iketan Sunda.
  18. beschrijving = ngagambarkeun hidji woedjoed koe basa, petana noe geus kapandjingan akal.
  19. Katerangan sabab ngan sok dikedalkeun koe kolot noe berakal koe.
  20. Oelah diemoetkeun eusina, margi koe sim koering dihadja dibantoen eusi tjarios noe sami, soepados djadi langkoang etjes karaosna.