Poesaka Soenda 1922-12-1(06)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1922-12-1(06)  (1922) 
by Pagoejoeban Java-Instituut

[ 81 ]

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

:-: JAVA-INSTITUUT  :-:

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN


Eusina nommer 6

1 Wajang katja 81
2 Babad Padjadjaran " 83
3 Kagegelan ti M. Ardiwinata M. G. Madjalaja " 86
4 Paririmbon " 89
5 Sair Soenda " 91
6 Goegoeritan Tjitamiang Soemedang " 92
7 Wawatjan Siliwangi " 92
8 Artos langganan " 95


W A J A N G
Beunang njoetat tina boekoe karangan toean J. Kats

II.

Asal-asalna djeung wandana lalakon wajang.


Baheula di tanah Hindoe geus djadi adat, lamoen aja radja anoe rèk njoegoeh, sasadjèn gedè ngorbankeun koeda (paardenoffer), ti pisataoeneun deui kana prakna, oenggal poè teu aja kendatna koedoe baè moengpoeng anoe poepoedjian kakawihan, ngalap berekah para Dèwata djeung para loeloehoerna anoe katjeloek lalepoes.

Poepoedjian djeung kakawihan kitoe tèh, lian ti dina sasadiaan pikeun sasadjèn gedè tèa, nja dina gawè sèdjèn ogè radjeun digedèkeun. Saperti oepama aja anoe kapapatènan, koelawarga djeung sanak kadang anoe ninggal tea, sok rioeng moengpoeloeng di handapeun kakajon anoe ijoeh, ngaradon poepoedjian kakawihan dibaroeng koe biantara tjarita lalakon anoe baheula, maksoedna silih beberah silih leledjar sangkan palèr ka noe tilar. Bintara tjarita koena tèa disareboetna: itihasa; âkhijana; poerana. Tapi ari dina tarèkah toelak bala mah lain kitoe petana, ieu mah koedoe mangkoe hawoe ka loear, der mariroeha ngadadak mariroen seuneu, ngalingkoeng ngepoeng noe ngeloen sapiri-oempina, bari teu rèpèh ngarawih, poepoedjianana itihasa djeung poerana tèa, silih tèmpas silih tèma, tarabah djeung lalantjar pisan.

Koe lantaran kabiasaan anoe kitoe, èta djadi panarik kana rekah tambah nerekabna djeung kana hiroepna tjarita djeung dongèng-dongèng, nepi ka dina alam Boeddha — 500 taoen samèmèh K. Nabi Isa — rèana tjarita noe biasa djadi katjapangan harita, tanpa wilanganana, aja anoe [ 82 ]didangding aja sair aja anoe lantjaren baè.

Poepoedjian djeung kakawihan anoe gelar djadi lalakon titinggal Hindoe mangsa harita, aja doea anoe natrat teu aja pegatna anoe eusina djeung iketanana tjarita, étjés némbrés babaran djaman baheula. Anoe ka hidji tjarita Mahabharata, nja èta lalakon perangna toeroenan Bharata; ari anoe kadoea tjarita Ramaijana, nja èta lalakon Batara Rama.

Tjarita anoe ka hidji tèa dibagi bagi djadi sababaraha bagian sareng pandjang lain dikieuna, eusina lalakon déwa-déwa djeung lalakon poetra-poetra Pandoe anoe biasa diseboet Pandawa-lilima, lalakon perangna djeung sadarék misanna anoe diseboet Korawa tèa babakoona mah,

Kieu ringkesna èta tjarila Mahdbharata tèh.

Anoe djadi radja di Astinapoera — dajeuh gadjak hartina — djenenganana Santanoe, toeroenan Koeroe. Ratoe Santanoe tèh geus kogoengan garwa malah geus kagoengan poetra pamegat djenenganana Bisma. Tapi dina hidji mangsa andjeunna ningali (tepang) djeung hidji poetri geulis taja babandinganana djenenganana Poetri Satijawati anoe biasa disareboet Doergundini atawa Nji Lara Amis — (Amis basa Djawa, Soendana hanjir, anoe matak dilandi Nji Lara Amis sabab èta poetri salirana baoe hanjir). Radja Santanoe kapintjoet, toeloej Satijawati ditanjaan. Poetri Doergandini kersaeun, ngan aja tandjakanana, nja èta sing iasa noeroenkeun poetra anoe pinoeloejkeuneun djadi ratoe.

Bisma, poetra Santanoe anoe tjikal tèa, katjida moeljana manah nadjan andjeunna oeninga jén andjeunna anoe koedoe nampi waris djadi Pangéran-Anom, tapi ngéléhan manéh sarta djangdji moal kagoengan garwa, sabab bisi kagoengan poetra anoe hojong nampa poesaka karadjaan milik andjeunna.

Poetri Satijawati tèa oge geus kagoengan poetra pameget ti Palasura, djenenganana Abiasa. Ajeuna ti Ratoe Santanoe poetraan deui pameget doea, nja èta Tjitranggada sareng Tjitraséna, anoe koengsi djaradi radja ngagentos ramana. Tapi doeanana gaboeg, pada teu karagoengan poetra.

Noemoetkeun adat ageman didinja, Satijawati anoe katinggal poepoes koe tjarogé tèh koedoe diwariskeun djadi milik sadérék tjarogéna anoe poepoes tèa. Nja Satijawati ragrag ka Wijasa, sadérék Santanoe, anoe keur tapa diadi pandita.

Ti Wijasa, poetri Satijawati kagoengan poetra pameget doea, anoe hidji djenenganana Dasarata (Dhretarasjtra) anoe hidji deui Pandoe. Koe margi Dasarata lolong, nja Pandoe anoe diangkat djadi radja.

Pandoe kagoengan poetra ti Déwi Koenti tilue, sadajana pameget hidji Joedistira atawa Poentadéwa (di dieu biasa diseboet Semihadji), doea Bima at. Wrekodara at. Brataséna, anoe ka tiloe Ardjoena at. Djanaka at. Pamédi at. Parta. Ti poetri Madri kagoengan poetra doea nja èta Nakoela sareng Sadéwa.

Saméméh kagoengan poetra ti Pandoe, Dewi Koenti tèh geus kagoengan poetra pameget ti Batara Soerja djenenganana Karna.

Ari Dasarata garwaanana ka Dewi Gandhari kagoengan poetra saratoes, pameget sadajana, anoe mashoor diseboet Korawa tèa, nja èta Doerjadana (Soejoedana) Doersasana, Doermagati, Tjitraksa, Tjitraksi dj. s. t.

Sapoepoesna Pandoe, anoe ngagentos djadi radja tèh, nja Dasarata anoe lolong tèa.

Poetra-poetra Pandoe anoe lima djeung para poetrana kue Dasarata sina sakoemboeh diwoeroek sareng diatik koe hidji pandita.

Tapi èta maroerangkali, Pandawa lilima sareng Korawa tèa, teu aja pisan rapihna salawasna getréng bae, tepi ka petjohna ger parasea toengtoengna mah.

Korawa pada ihtiar naréangan akal koekadjoeligan koe kadengkian pikeun ngabasmi toeroenan Pandawa, tapi weléh henteu mental akalna koe djalan èta mah.

Toengtoengna koe djoelig dengkina Sangkoeni, doeloerna Gandari, Pandawa kabeunangan, lantaran disina ngadoe (maen toempangan). Anoe ngadoena Doerjadana djeung Joedistira (Semihadji tèa), dibarobotohan koe saréréa. [ 83 ]Koe sabab èlèh pelit èlèh litjik. Pandawa lilima nja élèh, tepi ka moeloentoe ngagilintjing pisan, geus soemawonna banda, radjakaja tatah-wadoeng poesakana tèa, dalah kamerdikaan silirana ogé, sèèp sadaja dianggo toempang. Nja sasadèrèk-sadèrèk koedoe ingkah ti nagara. Doea welas taoen lilana poetra Pandawa pating alasroek lantaran di boeboerak koe misanna.

Katiloe-welas taoenna Poetra Pandawa njalalamoer, masrahkeun salira koemawoela ka Radja Wirata, anoe ngerèh karadjaan Matsija.

Satoetoegna nyalakonan hoekoeman, anoe dianggo toempang ngaben tèa, Poetra Pandawa nagih waris, mènta poesaka nagara sabeulah ka Doerjadana. Lantaran henteu dikaboel panoehoenna, welèh teu beunang dibèbèrès, nja toengtoengna der perang. Dalapan welas poè lilana Pandawa njekel saboek milang tatoe lali rabi tegang pati ngajonan oerang Korawa, nepi ka moesoeh anoe miloe perang poepoeh tjarem sadajana, Korawa kadèsèh; oerang Pandawa oenggoel perangna toeloej Goedhisjthira (Semihadji) didjoengdjoeng loenggoeh njepeng kakawasaan nagara.

Doepi éta lalakon Mahabarata tèh sakoemaha anoe parantos ditjarioskeun tadi, èstoe tjarios pandjang pisan, djadi dalapan welas boekoe anoe karandel, anoe dingaranan Parwa, sadajana dieusi 100.000 (saratoes rèboe) padalisan.

Eta tjarita anoe sakitoe pandjangna tèh, ditambah koe sosompang djeung sempalanana, toeroen-toemoeroen natrat teu aja kendatna, tibaheula tepi ka ajeuna pisan.

Dina boeboekana èta boekoe-boekoe tèa, aja saoer noe ngatoerna kieu oengelna:

„Soegri anoe miroetjaan ngadangoe ien lalakon, tanwandè itjal tingalna tina tjarita noe lian, katoengkoel koe pangiroetna iketan bagbagan tjarita Mahabarata noe nembè njèrep soeroep kana pangroengoe, lir djalma noe kagendam koe ngelakna soara (titiran), ana kasorang kaselang koe sora sakadang gagak, njiliwoeri ngiring ngadjombali, rasa resag sareukseuk asa raroengseb”.

Tah sakitoe diloehoengkeunana dipoendjoelkeunana tjarita Mehabarata tèh koe oerang Hindoe ti djaman boehoen kènèh. Demi anoe djadi panambah sesembèn tjarita Hariwangsja diseboetna, saperti lalakon-lalakon Kresna, ieu ogè lain loemajan. (Kokila tèh manoek, moen di oerang mah titiran anoe disadana katjida dipikaresepna, lantaran sorana soeroep kana lelemboetan, bèdjana aja teroesanana kana élmoe roetjalan raga).

Demi parèlèanana eusina èta anoe dalapan welas parwa tèh njaritakeun lalakon-lalakon anoe ditataan ieu di handap.

  1. Babad koena. Lalakon Pandawa sareng Korawa eukeurna pada nonaman...Adiparwa
  2. Lalakon Pandawa kataradjang bahla nandang sangsara... . Sabhâparwa.
  3. Lalakon poetra Pandawa di pangboeangan .... Wanaperwa sareng Wirâtaparwa.
  4. Lalakon anoe ngalantarankeun djadi perang gedè .... Oedijogaparwa.
  5. Lalakon pèrang Baratajoeda ....Bhismaparwa; Dronaparwa; Karnaparwa; Sjaljaparwa; Sauptikaparwa; Strîparwa; Sjântiparwa; Anoesjasanaparwa.
  6. Panoetoep .... Asjwamedikhaparwa; Asjramawdsikaparwa; Mausalaparwa; Prastkanikaparwa; Swargarohanakaparwa,

Aja samboenganana.



Babad Padjadjaran

Tjoektjroekanana anoe nganjatakeun kaajaan sareng perenah-perenahna karadjaan di tanah Pasoendan djaman baheula, tepi ka ajeuna teu atjan aja anoe tiasa mastikeun pisan. (Tingali P.S. No. 5).

Soepados djadi timbangan ka sadaja anoe maraos Poesaka Soenda, kaèmoet, djadi pisaèeun oepami babad anoe parantos kapendak, dipedar dina P.S. koemaha toetoeranana moemoetkeun panaloengtikna [ 84 ]boedjangga anoe ngagelarkeun tjarita.

Dina boekoe-boekoe koena nja aja tjarita-tjarita babad anoe koe oerang beunang dipoeloengan, sapertos dina boekoe Badingh Indisch Arcshief djilid ka II (Tijdschrift De Indien, uitgegeven door Dr. S.A. Buddingh, ditjitakna dina taoen 1850) aja katrangan karadjaan Padjajaran, kieu ringkesna.

Saparantos Lemboe Ami Loehoer radja Djanggala (Kediri) poepoes, noe djenenganana kawentar Pandji Ino Kerta Pati. Sasoeredna Pandji Ino Kerta Pati; anoe ngasta karadjaan nja èta poetoe Lemboe Ami Loehoer, djenenganana Koeda Lalèan.

Koe margi Koeda Lalèan boerej kènèh nja ngaheujeuk nagara mah diwakilan koe anoe djadi mangkoe boemina, djenenganana Baka. Tapi Baka ngidjing sila bèngkok sembah, henteu lempeng ka Koeda Lalèan, boga niat nandasa ngareboet kakawasaan mèlaan sadèrèk Koeda Lalèan. Kawasna pang djadi petjoh kitoe teh lantaran poetra Pandji Karta Pati henteu djadi radja, kaselang tèa koe Koeda Lalèan. Baka hasil maksoedna, ger di Djanggala aja karaman anoe maksoedna noendoeng ratoe, Koeda Lalèan diloengsoer tina kaloenggoehan, ngadeg radja anjar.

Tjeuk sakaol Koeda Lalèan rada lami ngastana karadjaan, da dina taoen A.J. 1084 atawa taoen A.D. 1173, koengsi nekanan pamindang sarajana loeloerah para boepati nempoeh karaman bangsa Tjina, sarta oenggoel perangna, nja ti harita oerang Tjina patamboearna ka sakoeliah tanah Djawa. Tapi ieu mah katrangan teh rèa soelajana sareng tjarita-tjarita Djawa anoe lian.

Ari dina tjarita Djawa mah leres saoengel anoe ti pajoen, jèn Koeda Lalèan tèh dilindih koe sadèrèk lantaran kadjoeligan tarèkah Baka tèa.

Koeda Lalèan lolos ti nagara ngantoen kamoekten, kadengkian Baka sareng sadèrèkna teu diladènan, andjeunna mah ngèlèhan andjeun baè.

Dina sadjero keur petjoh kitoe, beledoeg goenoeng Keloet bitoe, lahar ngaroeksak sakoeliah karadjaan, mèh tjarem kakelem koe pamoekna goenoeng Keloet.

Oerang Djanggala maboer patawoeran, malah sadèrèk Koeda Lalèan, anoe djenenganana Tjitra Aroeng Baja, sareng Tjamara Gading mah sapangiringna kalaboer ka Selebes. Di ditoena ngadegkeun karadjaan, katelah Sawira Gading nja èta radja Boegis anoe mimiti.

Ari Koeda Lalèan koengsi memeres deui Djanggala, sarta kapi rama andjeunna anoe djenengan Bradja Nata, didjenengkeun radja di Djanggala. Ari andjeunna sareng iboena katoet pangiring-pangiringna angkat ka tebèh koelon nja ngadegkeun karadjaan Mendang Kamoelan anoe ajeunana djadi dajeuh Blora. Tapi Koeda Lalèan kapaksa kedah djengkar deui ti dinja, lantaran karaman tilas mangkoeboemina anoe djenengan Baka tèa, ngahihileudean baè, toengtoengna Mendang Kamoelan dikepoeng koe Baka, sarta Koeda Lalèan kadèsèh ladjeng boedal ti nagara, mindang saraja ka Radja Praoe Tjatoer di Gilingwesi, nja èta di Pasoendan.

Baka diroeroeg deui dihoeroep nepi ka èlèhna.

Koeda Lalèan teu kersa moelih ka Djanggala, nja ladjeng ngababakan di tanah Soenda tempatna di Tjidamar bawahan Tjiandjoer, nja di dinja tempatna Gilingwesi tèh.

Saparantos Koeda Lalèan aja di Pasoendan, andjeunna mendak hidji patempatan anoe narik kana galih, soeroep djeung noe lemboet, tempat hègar didjadjaran tangkal pakoe, nja ladjeng didamel babakan anoe nelah tepi ka ajeuna diseboet: „Pakoean Padjajaran”.

Babakan anjar katjida matak pikabetaheunana, moengpoeng anoe ngadon matoeh, boeboeara soeka betah, ti noe djaoeh miloe aoeb, ti noe anggang dararatang, lila-lila njda ngadeg nagara, ngawengkoe karadjaan Bodjong Galoeh. Noemoetkeun katrangan babad, karadjaan Bodjong Galoeh tèh kira-kira taoen A.J. 1084 geus ngadeg.

Anoe ngagentos Koeda Lalèan, poetrana anoe djenenganana Bandjaran Sari.

Sanggeus Bandjaran Sari poepoes, karadjaan Bodjong Galoeh robah wanda ganti roepa, nja èta harita ngadeg Paoemboe- [ 85 ]lan (Republiek), nja ieu Republiek anoe pangmimitina pisan di tanah Djawa (di Pasoendan). Djadi Bodjong Galoeh tèh harita henteu diradjaan deui, tapi digeugeuh koe kapala anoe diangkat sarta beunang milih sarèrèa, demi kabèhna aja sawelas djelema anoe beunang meting, anoe pikeun ngapalaan djeung marentah maranèhanana noe koedoe ngatoer ngaheujeuk nagara tèh. Ari eta kapala anoe sawelas beunang milih tèh paloenggoehanana (diseboetna) Oemboel.

Tapi èta atoeran kapaksa dirombak deui, lantaran poetra Bandjaran Sari anoe djenengan Praboe Moending Sekar kersa ngagentos paloenggoehan ramana ngadeg Radja deui. Praboe Moending Sekar digentos ke Praboe Moending Wangi, ari Moending Wangi digentos ke Praboe Moegi Wati.

Noemoetkeun katrangan babas, Padjajaran harita teh taoen A.J. 1112, atawa taoen A.D. 1200.

Demi Koeda Lalèan saparantos ngadeg radja di Padjajaran, djoedjoeloekna Praboe Brawidjaja Maèsa Tandraman. Demi eta Praboe Brawidjaja Maèsa Tandraman katjèloek ratoe linoehoeng, sabar adil palamarta, towèksa ka noe leutik, roemawat ka para wilajat, ngadjeujeuhkeun kana makaja ngagarap tanah. Nja andjeunna noe ngawitan njandak Maèsa anoe soendana moending, ti Djawa Wetan ka Pasoendan geusan magawe ngagarap tanah.

Dina dongèng ogè kaoengel jèn nadjan moending djarah, oepami ditjepeng koe Koeda Lalèan toeloej dadak sakala djadi lindeuk. (Paingan tepi ka ajeuna, basa moending mah, komo dina ngawoeloekoe, tetep basa Djawa baè, saperti: deroem, kia, oewis, loepoet, arang, manahareng asalna ti Djawa tjandak Koeda Lalèan S.d.R.).

Radja Padjadjaran kagoengan poetra pameget doea, anoe tjikal ngaraos keungkang teu hararetah sakoemboeh sareng sepoeh, nja lolos ti nagara; ari anoe djadi radja ngagentos ramana, rai anoe lolos tèa, djenenganana Praboe Moending Sari.

Doepi èta poetra radja anoe tjikal tèh ngalalanana kaloenta-loenta nja soemping ka Mekah, gentos agama lebet Islam. Nja andjeunna oerang Soenda noe pang mimitina pisan moenggah hadji, djenenganana katelah Hadji Poerwa.

Toedjoeh taoen lamina Hadji Poerwa ngantoen lemah tjai bali geusan ngadjadina Soempingna deui ka Padjadjaran njandak rentjang oerang Arab djenenganana Krai Amantang atawa Ansantang (Dina babad Tjirebon mah, tingali P.S. No.4, rèntjangna tèh doeaan, ari djenengan anoe makè Santang nja iboe S.G. Djati, roepina Kiai Asantang di dieu ogè, Kèan Santang tèa, djadi sanes rentjangna tapi sadèrèkna anoe istri. S.d.R.).

Hadji Poerwa djeung rèntjangna tèa hajang ngasoepkeun èlmoena ka oerang Padjadjaran, tapi teu laksana lantaran oerang Padjadjaran kandel kènèh imanna kana agemanana noe asal.

Koe tarèkahna djeung djoedjoerna lakoe Hadji Poerwa, nadjan radja Padjadjaran teu bisa kabandang ogè, tapi ari ngaroesoehkeun mah koengsi, andjeunna tèga ngaraman ngaroentagkeun Padjadjaran asal, nepi ka Radja kapaksa ngalih ka babakan dadakan di deukeut toetoegan goenoeng Salak djeung G. Gedè beulah kalèr, antara Tjiliwoeng djeung Tjisadanè, nja nelahna mah Padjadjaran kènèh, tempatna di dajeuh Bogor ajeuna.

KATRANGAN TI REDAKSI

Ieu anoe ditjarioskeun di loehoer, pamendak toean Buddingh dina taoen 1850, babakoena njandakna poko tina babad tina dongèng-dongèng, sanès tina boekti-boekti seratan atanapi patilasan. Ka-bèh-dieu-nakeun seuer boejangga anoe ngotèktak kaajaan djaman koena njoektjroek tina boekti-boekti. Djadi karangan babad djeung sadjarah mah, tetela, beuki deui, beuki tambah beunang dipertjaja, rèa anoe ninggang enja.

Dina ieu karangan salsilahna Ratoe Galoeh sareng Padjadjaran, komo ari taoen-taoenna mah seueur pisan soelajana. Nanging, nja èta sakoemaha anoe kaoengel dina boeboekana, ieu mah soepaja djadi timbangan ka anoe maraos. Sadjarah Padjadjaran anoe sanes, engkè baris dilebetkeun deui. [ 86 ]

Kagegelan ti M. Ardiwinata
Mantri Goeroe sakola
klas II Madjalaja.


ASMARANDANA.

  1. Kagegelan oerang sisi; manawa djadi mangpaät, beunang poengpoeloeng-péngpéléng, kagaliban oerang Soenda, noe ajeuna geus langka, tali paranti ka poengkoer, noe matak jeu didadar.
  2. Teu pisan-pisan meredih, mambrih sangkan dipilampah, dipalar woeroekna baé, malak mandar djadi sarat, saliring kahadeän, awéwé Jalaki kaedoe, nja milampah ka bageuran.
  3. Biasa di anoe kawin, atawa anoe soenatan, noe tjoekoep sok maké njawér, sabada iring-iringan, didjieun karasménan, tapi éstoena woewoeroek, papagah kaoetamaan.
  4. Sarat njawér anoe galib, bokor dieusian béas, tékték sakoerén djeung konéng anoe geus beunang njiksikan, diteundeun kana béas, ditambah doeit sabaroe, nja kieu pokpokanana.

NJAWER

Kinanti pangradjah

  1. Poen sapoen ka Sang Roemoehoen, ka Batara ka Batari, ka Batara Maha Déwa, noe ngantjik di boemi soetji, loeménggang di alam padang, noe nitih di galih Goesti
  2. Néda agoeng nja paraloen, néda agéng pangaksami, agoeng ka para djoeragan, djémbar kadang koelawargi, moega hènteu redjag manah, rèh toeang kaselang dangding
  3. Djisim koering amit kaoel, nekanan nétépan djangdji, doeméhna awaling adjam, loemantoeng tjiptaning ati, oepami paréng laksana, pinanggih baring soepagi.
  4. Dikadarkeun pandjang oemoer, toerkaboel panèdja ati, njalametkeun bararoedak, noe awèwè noe lalaki, dèk njawèr koe bèas bodas, sarta bari ngaharing
  5. Hariring kawih pangroengroem, ngaroengroem noe karék soemping, soenggingan éremas wajang, ngaleut ngeungkeuj anoe ngaping, kadang warga mararidang., garandang sarta garinding.
  6. Noe tjoendoek moelih ngalajoeng, ngalajoeng mangan-mangéning, hénang-héning manah sénang, diroengroem kawih pangriring, rarapén anoe maridang, kawangwang woeroek hariring.
  7. Doeh anak toetoemboe oemoer, tandingan hoeriping diri, timbangan soekma laksana, ngan woengkoel Oedjang djeung Njai, kembang sotja boeah manah, ditanggeuj di poesti-poesti.
  8. Noe goemantoeng siäng daloe, majèng manteng henteu lali, moegia Allah taäla, maparin ka Oedjang Njai, salamet djeung pandjang joeswa, loeloes bangloes lahir batin.
  9. Linoengsoer élmoe noe Ioeloes, noe mangpaät kana diri, ti doenja rawoeh ahérat sarta moega-moega teuing, anak hoerip kadar moelja, pinanggih kamoektén diri.

........................................

NJAWER.

1. Baeu banget noe saranten,
noe mahal ti batan inten,
darangoekeun koe maranten,
aja pitoetoer sakintan.

2. Dina kitab geus kaserat,
djaga di alam ahérat,
Joba anoe geulis merat,
tjahajana ge’soemirat.

[ 87 ]


87 [ 88 ]


88

[ 89 ]
89
 
[ 90 ]
90
 
[ 91 ]