Poesaka Soenda 1924-03-2(09)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1924-03-2(09)  (1924) 
[ 129 ]
No. 9
Tahoen ka 2
Maart 1924

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - SALEMBA 24 – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 9


1. Oerang Badoej katja 129.
2. Asal moeasalna " 130.
3. Agamana " 131.
4. Poeoen " 135.
5. Hoema serang " 136.
6. Kalawoe " 136.
7. Wawatjan Babad Galoeh " 141.


Oerang Badoej.


Sadajana ogè tangtos parantos ngadangoe jèn di pakidoelan tanah Banten aja pagoenoengan aneo ditjitjingan koe oerang Badoej, nja eta bangsa oerang, noe toehoed sarta keukeuh pageuh njekel agem-ageman talari karoehoena ti baheula toeg tepi ka kiwari.

Nanging, sanadjan èta ketjap Badoej, parantos kaoetara ka mamana ogè, sakalieun ngaranna, manawi ari kana loma enja kana kaajaan djelemana mah, nja rèa anoe teu atjan, da poegoeh tempatna sakitoe sikloekna, sareng arang langka anoe soemaba liar ti padoemoekanana.

Soegri anoe parantos ngoembara di Banten babakoena di Serang atanapi Rangkas, kawas moal boa, tangtos parantos djongok sareng Badoej tèh, margi sok aja oetoesan (ondangan) Badoej anoe daratang ka Sèrang, di mana Kangdjeng Dalem ajeuna pèpèstaan. Ningal tagog, lègèg sareng adeg pangadegna moeng­goh oerang Badoej mah, lain-lainna deui sareng oerang pasisian noe lian, teu aja di maranehanana mah pajangkad-pojongkod kajap-kèjèp pangbaroeng doesoen teh ieu [ 130 ]mah èstoe djedjeg, njata naker djelema weuteuh anoe tatjan karandapan hama pangropèa deungeun tèh; tjatjak saendengna saba leuweung, arang mantra mantra ka nagara.

Dina rap-rapanana makè, èstoe sahinasna teu reuntjeum koe anoe matak sareukseuk; teu aja, basa kokoro njenang njokor naring­nang tjara ilaharna oerang paminggir tèh, ieu mah sawadjarna saplasna soeroepanana baè. Samping, badjoe, djeung totopong tinoenan tèa, boh bodas boh boelao, èstoe merenah lain beunang toetoeroeti, moen kai mah poeloekan, atjan ratja koe tapak nga­dèkan batoer.

Soepados ebreh katingali sadajana, mangga ajeuna oerang wajangkeun, tjoetatanana tina babon tjarios boekoe karangan toean Dr. Jul. Jacobs sareng J. J. Meijer, anoe parantos naloengtiic kaajaanana Badoej tèa (Bat Gen, XXI 1512)

Asal moeasalna[édit]

Oerang Badoej tèh kawasna moal lepat deui asal oerang Padjadjaran, anoe kalahoer ngantoenkeun karaton nalika dajeuh diran­jah koe balad Islam.

Nagara Padjadjaran, dajeuhna karadjaan Bramaija-Maisa-Tandraman (saoer Dr. Blume) ajana di palebah Bogor ajeuna. Weweng­konna sakoeliah Pasoendan, ti Banten dongkap ka wètaneun Tjirebon. Oerang Tjirebon koe­doe majar oepeti tarasi oenggal taoen. Anoe njepeng kakawasaan di Banten alam harita pangkatna Poetjoek-Oemoen. ieu teh sanès djenengan, tapi ngaran kaloenggoehan: har­tina: kapala noe dipigoesti, sadèrèk (poetra) Praboe Siliwangi Radja Padjadjaran panoetoeop.

Dina katompèrnakoen windoe ka lima welas, sareng dina wiwitan windoe ka genep welas, agama Islam njaliara di Soenda, Tjire­bon Banten sareng basisir kaler parantos ragrag kana kakawasaan Soenan Goenoeng Djati; bawahan Padjadjaran kasosok ti Koelon ti Wètan ti Kalèr sareng ti Kidoel, dikepoeng boewaja mangap.

Barang parantos singget, njangkèwok kantoen tengahna, nembè dajeuh Padjadjaran diroe­roeg koe balad Banten.

Anoe djadi Senapati Padjadjaran djenenga­nana Praboe Sedah poetra Siliwangi, kaoetoes mapag moesoeh noe ngaroeroeg. Nanging kadèsèh, kapaksa moendoer. Kangdjeng Preboe Siliwangi sareng sadaja eusi karaton anoe toehoe satija ka radja, lolos ngantoen­koun nagara, sedih tanpa tanding ngoengsi tepis wiring njorang leuweung leowang­ liwoeng, njalindoeng di goenoeng Kendeng, njingkahan bahja salira.

Berejek oerang Islam nompoek dajoeh, ngarandjah eusi nagara, nanging kadaton kasondong geus kosong.

Kangdjeng Preboe Siliwangi sabaladna ma­bakan di goenoeng singkoer mandala singkah anoe taja petana kasaba koe djalma lian, nja èta di Tjibeo tjikertawana anoe nelah diseboet koe oerang ajeuna Badoej tèa.

Anoe djadi saksi sarta ngaenjakeun kana toetoeran anoe bieu, lian ti raratan sadjarah, sareng dongeng-dongeng sasakala, (Tingali P. S. No. 7), aja deui nja èta noemoetkeun papajan dina tjarita-tjarita pantoen, tjarita anoe natrat teu aja pegatna di kolot di boo­dak di awèwè di lalaki; teu aja deui anoe djadi sendèn kalèmèkan, ngan Padjadjaran katjapanganana; Siliwangi anoe djadi poepoehoenan, moenggoeh di oerang Badoej mah.

Oerang Badoej tarabahna kana pantoen, kana mantoen teh lantjar ka tjarita tjarita­na digalantangkeun apal sagala djelema, kawas langkoeng ti bangsa Djawa. kana wajang.

Doepi pok-pokanana pantoen, Badoej; boh tjaritana (lalakonna) boh basana ata­wa haleuangna, teu aja béntenna ti pantoen di Priangan atawa di Soenda noe lian. Ningal ka dinja tètèla Priangan sareng Badoej téh pada sapalajangan asal Padjadjaran tèa. Ko­mo oepami nilik kana angkeuhanana, ang­keuhan Soenda anoe biasa, koe sapagodos pisan sareng oerang Badoej, nja eta pada ngarep - ngarep Ratoe Soenda, anoe ba­kal loemoengsoer ti Kahiijangan ngadeg Ra­dja Kasoendaan, moerba di sadjagat Soen­da. Tjeuk oerang Badoej, anoe bans rawoeh ngageugeuh Soenda tèh taja lian djaba ti Siliwangi, ratoe Padjadjaran panoetoep anoe langgeng teu keuna koe adjal tèa, oekoer pindah alam kana ngahijang heula, engkè ­bakal toemoeroen deui ka lahir ngagelar bandèra Soenda, tjenah. [ 131 ] Tjindekna oerang Badoej mah soemoe­djoedna ka Padjadjaran tèh èstoe pageuh soemarambah dina njawana soemerep kana getihna, èta djadi tanda anoe ngaenjakeun kana asalna tèa. Malah aja tambahna anoe nètèlakeun tibelatna atina ka Siliwangi, kieu: Dina hidji mangsa Soeargina Kangdjeng Boepati Rangkas Radèn Adipati Soeria Nata Ningrat angkat ka Badoej, sareng sareng toean Meijer anoe nalika harita djadi Kontrolir.

Oerang Badoej nampana djeung pangakoena ka Kangdjeng Boepati tèh. ih biasa ka sasamana baè mimitina mah, teu aja pisan bèdana. Kabeneran aja hidji oerang Badoej anoe djadi kokolotna, ngaranna Ki Djasma, keur ngararioeng tèh pok naros ka Kangdjeng Dalem naroskeun ti mana asal- oesoelna, toeroenan saha; teu euleum euleum ngedalkeun kapanasaranana tèh.

Koe Kangdjeng Dalem paralak ditjarioskeun jèn andjeunna toeroenan Tjiandjoer, sarta ladjeng ditataan roendajanana mapaj ka poehoe, doegi ka Preboe Siliwangi, anoe ngasta karadjaan Padjadjaran.

Ki Djasma bengong hookeun ngoepingkeun toetoeran Kangdjeng Dalem kitoe tèh, meu­reun teu ngira teu njana, sarta satoetasna Kangdjeng Dalem ngadawoeh kitoe, kèlèsèd Ki Djasma toeroen, sarta geledeg baè loempat njampeurkeun batoer-batoerna, hariweusweus alèwoh njaritakeun dawoehan Kang­djeng Dalem tèa.

Sapada harita broel baè Badoej-Badoej anoe sèdjèn tèh pada „ngadeuheusan,” anoe tadi api lain teu barang pirosèa tèh, ari geus ngadèngè jèn èta tamoe toeroenan Siliwangi mah, rob baè ngaronom pating so­londo darioek, padesek-desek èbrèh dina beu­ngeutna sari adjrih, bangoen sono bangoen deudeuh, sawarèh mah marahmaj bawaning boengah; hih sèmah anoe sedjèn mah geus teu dihiding, ieu baè geugeut ka Poetra Pa­djadjaran tèa.

Tah sakitoe mitoehoena goemoestina ka loeloehoerna, moenggoehing oerang Badoej mah.

Naon margina anoe mawi eta djelema ­djelema diseboet Badoej, apan ari enjana mah bangsa oerang, pitoein oerang Soenda asal Padjadjaran ?

Tah, kana raratanana pang dipingsalkeun kitoe, nepi ka siga misah bangsa ti anoe lian, geus rèa anoe maparin katrangan. Tjeuk sawarèh, eta ketjap Badoej tèh tina asal ngaran tempatna di dinja Tjibadoej, pedah ajana deukeut ha hidji waloengan anoe ngaranna Tjibadoej.

Tapi kawasna, èta mah waloengan boga ngaran kitoe tèh, pandeuri, sanggeus djele­ma oerang dinja disareboet Badoej tèa.

Tjeuk sawarèh deui Badoej teh asal tina ketjap Boeda, anoe lila-lila robah sorana djadi Badoej.

Ieu ogè teu soeroep kana lelemboetan, ari lantaranana, naha aja robah sora soso­ranganan, apan ketjap Boeda dina agarna ­Boeda, djaman Boeda, dj.s.t. geuning teu robah djadi Badoej?

Aja deui anoe maparin katrangan, madjar asal tina ketjap Badoejoel, pèdah aja tangkal badoejoet, tjenah, di lemboer atawa kam­poeng anoe ditjitjingan koe oerang Badoej tèh.

Nanging da èta ari maranèhanana pnibadi mah henteu boga ngaran lemboer Badoej, da padoemoekanana mah lain kitoe ngaran­na, teu aja oeroet-oeroetna atjan lemboer anoe boga ngaran lemboer Badoej mah.

Djadi kawasna tètèla èta mah ketjap Badoej èta pamojok oerang Islam, pèdah teu anoet ka agama Rasoel; toeloej baè dieunteupkeun ka bangsa Arab di Mekah, anoe sok ngagalaksak di sahara tea, anoe biasana disareboet Badoei. Tina Badoei ana pindah kana lètah Soenda djadi Badoej, Ari èta Badoej tèh, asal tina ketjap Badoe, atawa badaw, hartina: sagara keusik. Djadi Badoei tèh, tegesna: oerang sagara keusik.

Agamana[édit]

Tangtos pisan koe sadaja ogè oedjoeg ­oedjoeg kagalih baè, jèn oerang Badoej tèh agama Boeda, nja eta ageman oerang Pa­djadjaran samèmèhna kalindih koe Islam.

Nanging oepama koe oerang èta anoe oeninga ngedalkeun ketjap Boeda tèa disèsèr koe pananja; koemaha tèa agamana tèh?

Tah pikeun nalangan anoe koedoe nga­walon eta, perloe oerang dadar koemaha agemanana Badoej ajeuna.

Oerang Badoej boga sahadat sorangan panjangtjang imanna. Maranehanana pertjaja jèn "hiroep" djeung lara-bagdjana teh, èta [ 132 ]kapoerba koe anoe wisesa, nja eta daja anoe teu kahontal koe netra. Soegri anoe koemelip teu aja anoe ingkar tina kawasana maha wisesa tea. Nja ieu anoe koeoerang Badoej dipoedja disembah-sembah; ilaharna di dinja digelar Batara Toenggal, ngandoeng harti Pangeran anoe teu doea teu tiloe, moerba di rat djagat wawajangan.

Harti, toemerapna rasa kana eta susem­bahan, teu bina ti bangsa lian, sapatotos teu geseh ti anoe sejen, rnalah koe sapalih oerang Islam dihaminan, iman Badoej ka Pangéran, njata teu mi-Allah doea.

Tapi . . . . . nadjan poko anoe djadi harti maranehanana kitoe, enja pada njakseni jen eta anoe Kawasa teh lain maoedjoed anoe nembres djoenggerengna, ngan koeman­dang dina tjipta, jen njata wisesa tea, kawasa ngamoedi hiroep djeung hoerip, moerba soegri noe goemelar; tapi tah sanadjan kitoe . . . . . da loembrah harti koedoe goeroe boekti tea, moenggoeb ‘koe anoe miboga eta agem-ageman, toeloej bae diwoedjoedkeun, dianggap boengkeuleuk aja ragaan, tjara kahanan manoesa.

Lantaran ka dinja dilojogkeunana, pagah Batara Toenggal teh djelema, aja katjoea kasoeka, malah antekna rnah make katerap koe djoerig koeris sagala, toeloej bae diga­roegoe ditariroe, emboeng ditjatjaran da Batara Toenggal ge henteu, tjenah.

Tina anggapan ieu, nja ngaroendaj kana adat patjadoean, naon-naon anoe tara djeung henteu karandapan koe Batara Toenggal, moeggoeh di Badoejna djadi ,,boejoet”, toemerap dina kapertjajaan pageuh teu beunang diobah.

Batara Toenggal tara toempak koeda; oerang Badoej boejoet (tjadoe) deui, komo ari kana toempak kahar mobil kareta api mah, da Batara toenggal teu oeninga-oeni­nga atjan. Eta margina anoe mawi oerang Badoej mah rea pisan patjadoeanana, teu wasa basana kana naon-naon anoe djadi pantrangan teh, saperti kana: matja, noelis, sore dina randjang, toetoempakan, make papakean sedjen, dj. s. t. kabeh teu wasa, tjenah.

Lantaran Batara Toenggal geus aja dina sangka mangroepa djelema tea, nja toeloej diroendajkeun apoepoetra apoepoetra, nepi ka ragrag ka Poeoen.

Poeoen Tjikeusik kakara 18 toeroena ti Batara Toenggal, kieu salsilahna:

1. Batara Toenggal, poepoetra Batara Patamdjala, apoepoetra. Dalem Djanggala, ditema koe Aki Heulang Ngambang, toeroen ka Poeoen Kaisbah, toeroen ka Poeoen Sa­dan. Poeoen Sanika, Poeoen Mangger, Poeoen Raji, Poeoen Dongget, Poeoen Waksir, Poeoen Tarsi, nja ana ditema koe Poeoen Djarmah, Poeoen Tjikeusik dina taoen 1891, ari Poeoen anoe ajeuna anak atawa intjoe eta.

Ari Poeoen Tjibeo toeroenan ti Dalem Poetih poetoe Batara Toenggal anoe istri.

Poeoen Tjikartawana nja toeroenan Batara Toenggal keneh, ti poetra anoe djenengan Dalem Legoendi. Djadi dina hartina, Batara toenggoel teh anoe moerba saalam doenja tea, koengsi ngaraga manoesa sarta dina rnangsana keur-djoemeneng, atoeh nja toe­ang, koelem, tani, kagoengan garwa, kagoe­ngan poetra, sok dagang biasa oesaha dje­lema bae, sarta sok gering katerap panjakht deui, an toengtoengna . . . . . poepoes, moelih ka . . . . . Batara Toenggal kèneh. Kitoe dina imanna.

Kadjabi ti pertjaja ka Batara Toenggal, maranehanana pertjaja ka Sang Hijang-Sang Hijang anoe pada karagoengan geugeuhan.Oenggal lemboer, oenggal goenoeng pada aja Sang Hijangna.

Ari paloenggoehanana eta para Hijang teh teu tebib ti dinja, ajana di deukeut sirahna waloengan Tjioedjoeng djeung Tjisi­meut (Tjiparahijang) anoe ngaranna geus kawentar diseboet: Artja-domas tea.

Artja-domas teh dianggap koe oerang Ba­doej tempat soetji, anoe beh ditoeeun soetji, anoe dipoendjoeng dipoesti-poesti. Aja naon di Artja domas teh, djeung koe­maha kaajaanana di dinja teh?

Eta Artja domas teh hidji tempat di te­ngah leuweung loewoeng-liwoeng, meh teu beunang disaba koe djelema, dalah oerang Ba­doej oge ari lain dina mangsana mah teu meu­nang daratang ka dinja, ngan sakali sataoen dina boelan ka 5 ka dinjana, arek ngaber­sihan eta tempat, kitoe oge koedoe bari memendekan.

Dina boelan Djoeli tanggal 5 taoen 1864 toan Koorders geus soemping ka Artja domas, sarta njarioskeun pamendakna kin­ten-kinten kieu: [ 133 ] Djalan ka Artja domas, mapaj lebak njoe­kang djoengkrang anoe garoerawès, nepi ka koedoe poentang kalong, ngaliwat leuweung geledegan anoe pinoeh koe kakajon anoe geus djaranggotan. Sakapeung kapaksa ngaraas njoektjroek njoektjroek waloengan.

Oenggal taoen dina boelan Kalima, tanggal 17 na. Poeoen Djeung batoerna dalapan djelema lalaki kabeh daratang ka Artjadomas, koedoe ngabersihan djeung ngomèan naon~naon anoe roeksak, tapi kabeh dipigawè koedoe koe leungeun Poeoen pribadi, teu meunang koe noe lian. Di dinja ngarereb 2 peuting. Dina poe ka doeana sidekah di "talahab" (hartina: balandongan atawa elos, adegan hateupna awi beunang meulahan).

Di dinja aja sabaharaha "pêtak" rèana aja 13 pètak aja noe gedé aja noe leutik petakanana.

Sakabeh petak tea ngoedjoer ti Kaler ka Kidoel. Dina petak ka hidji aja batoe-batoe dihoenjoed- hoenjoedkeun pinoeh koe loekoet, sarta dina lolongkrangna dipelakan tangkal dengkir. Ieu petak tetela koeboeran (makam).

Petak ka doea rada heureut, kosong teu aja batoe atawa naon-naon.

Petak ka tiloe gede, bangoenna pasagi, aja lima makam. Djeung di dinja aja batoe nangger (lingga?) rada dojong pinoeh koe loekoet.

Pètak noe ka opat ka lima, hareureut laleutik sarta teu aja eusina.

Petak noe ka genep, gede. Di dinja aja: Sasaka pakoembahan teu diehen (daekeun?) saat, bangoenna boeleud (djadjambaran ata­wa djarnbangan paragi sibanjo) anoe djadi koe maneh pinoeh hoe loekoet. Di deukeutna aja doea makam paesanana (toetoeng­goelna) nangger ditangtoengkeun.

Petak ka 7, 8, 9, 10, 11, 12, 13 laleutik sarta kosong ten aja eusian.

Ieu Artja domas kalingkoeng koe Tjioe­djoeng, ari beulah Kidoelna djoengkrang anoe loengkawing pisan.

Ajeuna kantoen naloengtik, makam saha eta teh, naha makam karoehoen oerang Ba­doej bae, atawa nja di dinja makamna Praboe Siliwangi djeung ensi karaton anoe lolos ti Padjadjaran tea?

Oerang Badoejna ngan nerangkeun jèn eta tempat tèh pangantjikan para Hijang djeung njawa anoe geus sah tidoenja anoe aja dina rahmatna Batara Toenggal. Ari eta koeboeran - koeboeran teh, makamna loeloehoer Badoej anoe djenenganana teu meunang diomongkeun. Tapi ningal raratan sareng hatrangan anoe sanes, moal lepat kawasna Praboe Siliwangi anoe panoetoep djeung sabaladna (eusi karaton) anoe lolos ti Padjadjaran tea, ngan teu meunang diseboet djenenganana ari koe oerang Badoej mah.

Artja domas teh ari koe oerang dinjana mah sok diseboet sasaka para poesaka deui. Noemoetkeun katrangan Prof. Veth, Artja domas teh hartina: koempoelan 800 artja.

. . . . . . . . . . . . . .

Oerang Badoej teu ara soemaba kaloear ti lemboerna, saoemoer-oemoer oeloekoetek di wewengkonna bae. Nja radjeun aja anoe kapaksa liar, lamoen katjida perloena; saper­ti balandja ka pasar (kana ondangan Pangaoe­laan Serang atawa Rangkas).

Ari awewe djeung baroedak mah henteu pisan meunang liar, dalah ingkah ti lemboer njaba ka papada Badoej deui, lamoen ngendong mah teu meunang.

Djadi tjindekna oerang Badoej mah ngahadja misah ngadjaoehan deonja, ngahadja tatapa misahkeun maneh ti anoe rea, ngoeroengan atawa ngoeboer maneh hiroep-hiroep teh saenjana.

Eta patempatan keuna pisan lamoen diseboet patapan, atawa ningal sareatna, enja moen dibasakeun koeboeran djelema hiroep. Ari margina, lemboerna teh kampoeng djero­na, teu beda ti makam, sakoerilingna dikoe­beng koe tatangkalan anoe biasa koe oerang kapanggih di padjaratan, ieu téh minangka bentengna, aja eta koe tangkal: Handjoeang beureum, katomas (poering) gandarroesa, wera, handeuteum beureum, sa/ak djeung doekoeh.

Ajeuna djol bae kapanasaran oerang, ha­jang neangan katrangan, naon sababna noe matak oerang Badoej hiroepna kawas anoe tatapa? Naon sababna noe matak mantrang soemaba sarta ninggalkeun sagala kasoekan doenja? Naon sababua noe matak lagoe­ lagoena djeung kawih-kawihna, bet anoe sakitoe matak nalalangsana anoe matak sararedih bae, malah tatabeuhanana ngan oekoer katjapi? Naha naon anoe djadi marga lantananana?

. . . . . . . . . .

[ 134 ]

Sakoemaha anoe parantos kaoengel tadi di loehoer, oerang Badoej teh agamana Boeda, anoe biasa sok ngagedekeun tatapa tea.

Dina agama Boeda aja pantrangan anoe diseboet dasa sila sareng pantja sila, hartos­na sapoeloeh (atawa lima) tjegahan noe djadi oegeran lakoe.

Nja eta koedoe nekadkeun:

  1. Moal megatkeun njawa noe lian.
  2. Moal mibanda pangahoga noe hian.
  3. Moal linjok meal bohong.
  4. Moal miroetjaan kana inoeman noe matak mabok,
  5. Moal midoea hati ka noe sedjen.
  6. Moal barang dahar dina wakteo anoe kakoeroeng koe peuting.
  7. Moal maké kekembangan djeung seuseungitan.
  8. Moal ngagenah-genah geusan sare, rek ngagoler dina samak.
  9. Moal njoekakeun hati koe igel, koe gamelan, kawih atawa tembang, djeung koe ria-ria toenil.
  10. Moal maké emas atawa salaka.

Tah ieu dasa sila aja keneh di oerang Badoej, nadjan geus aja robahanana henteu sahinasna pisan, tapi sipat anoe araloesna perbawa eta oegeran, napel pageuh teu laas keuna koe moentah.

Kana peupeuntjitan pokna boejoet, nja kitoe deui kana dahar daging bagong, koeda, sapi djeung salianna, tara, da tjadoe, kadjaba mentjek, peutjang djeung oentjal. Kitoe oge tara dipeuntjit kaloear getihna, sapaehna paehna koe gegendir atawa pameupeuh bae, djeung lain sakama- kama meunangna dahar daging eta oge, aja waktoena.

Aja oge anoe sok didalahar sagawajah nja eta: sigoeng (tjeuk oerang dinja mah: sogoeng), lalaj (madjarkeun teh : manoek leuleus, tjenah), djeung laeok tjai.

Koemaha ari kana bohong atawa mipit teu amit, ngala teu menta, tjeoraling sok pandjang leungeun?

Djadjaoeheun oerang Badoej mah teu wawoeh djeung akal ekol pangarahan teh, ieu mah estoe nilas saplasna ngadek sa­tjekna. Laimoen aja anoe kanjahoan tjoeloenan tjelenoen, geus teu pandjang tjarita deui koedoe harita keneh ditoendoeng, toeloej dipitjeun ka hidji tempat minangka pangboeanganana.

Kana tjalanas tjolonos ka anoe lain ha­dasna, teu njaho oerang Badoej mah, teu aja anoe kitoe teh, estoe dipangkring koe pantrangan anoe kereng pisan, bisi njeledat kana lampah karinah. Toemerap dina adatna, awewe anoe geus boga salaki, teu meunang koeloetjas keletjis hoeroewas harewos tjarita djeung anoe lian.

Kasoekaan ngan woengkoel mantoen, tapi kawas lain ria-ria pangbeberah goang, ieu mah ngawawaas ngekelar maneh, ngebrehkeun kanalangsa hate, tawis sedih peurih ati; ras ka alam Padjadjaran, waktoena eukeur loehoeng pinoendjoel; njarita dibaroeng hariring di selang kentroeng katjapi.

Radjeun sok aja noe ngangkloeng. tapi lian ti eta mah teu aja

. . . . . . . . . .

Lemboer oerang Badoej teh aja doea roepa, nya eta hidji anus biasa diseboet kampoeng djero atawa kadjeroan, tanah larangan, djeung ka doea: kampoeng panamping, atawa kaloearan, kampoeng loear.

Anoe diseboet kampoeng djero, aja tiloe loewoek, nja eta: lemboer Tjikeusik, Tjikartawana djeung Tjibeo, hidji-hidjina dikoeta koe benteng tatangkalan anoe biasa kapendak di koeboeran. Djoemblahna oempi (huisge­zinnen) dina ieu anoe tiloe lemboer teu meunang leuwih ti 40 koeren (eta téh lain dina hidji lemboer, tapi di anoe tiloe tea). Djiwana mah di kampoeng djero teh leuwih ti 40 koeren, sabab randa djeung baroedak mah henteu kaiteeng (Dina mangsa toean Meijer soemping ka dinja, djoembhahna oe­rang kampoeng djero téh aja 184 djiwa).

Oepama salah sahidji oempi ti anoe 40 tea aja anoe maot eta koedoé geuwat di­gantian koe anoe geus koerenan ti kam­peong louar, bawahan Poeoen anoe kapapa­tenan tea, noeroetkeun pitjadangeunana.

Oepami anak oerang Kadjeroan aja anoe kawin, djadi geus koerenan, eta koedoe aja anoe geuwat dikaloearkeun biasana anoe geus kolot, soepaja di kampoeng djero teu leuwih ti 40 koeren,

Oenggal kampoeng djero aja Poeoenna, djadi aja tiloe poeoen sadajana.

Eta kampoeng djero tiloeanana mandjang, ngoedjoer ti Kidoel ka Kalèr, lenang linjih bareresih. [ 135 ]Imah Poeoen anoe pangkidoelna njanghareup ngalér atawa panggirangna njanghareup ngalér, teu meunang aja adegan sédjén sakidoeleunana, ari imah oerang djero anoe sédjén ngadjadjar djadi doea baris, sisi koelon djeung sisi wétan, sabangoen sapotongan saatoeran. Ari di toengtoeng beuah Kidoel aja balé njanghareup ngidoel, djadi pahareup-hareup (paeunteung-eunteung) djeung imah Poeoen.

Satoekangeun balé beulah katoehoe aja imah lisoeng disaoengan. Oenggal toekangeun imah aja leuit.

Imah-imahna méh saroea baé djeung imah oerang Soenda di pagoenoengan (pasisian), tihang kai dibilik, hateupna kiraj, woewoengna koe indjoek, kolong imah loehoerna 1 m dipaké parandjé. Paranti toeroen oenggah ka imah maké papanggé. Ka hareupna maké tepas atawa émpér. Sisi papanggé koedoe baé naranggeuh lodong atawa kélé dieusi tjai.

Pantona rada pendék djeung singget (nja tjarapanto imah oerang sisi baé) tengah imah ngoblog, di dinja ajana pakara, gedogan, woeloekoe, patjoel, papakéan, dj. s. t. raweuj biasa pabalatak. Di sisi bilik toekang beulah kéntja aja parako, di sisi beulah Kidoel aja samak ngagebar djeung anggelna, (didjedjelna lain koe kapoek, tapi koe siki kapas ditjampoer kararas), nja ieu enggonna paragi saré. Salawasna oerang Badoej mah saréna koedoe njanghoeloe ngidoel.

Dina para seuneu koedoe baé aja koessi (bangsa salipi, kanéron) ngagantoeng, anoe didjieunna daoen tjangkoeang dianjam, nja éta wadah oejah kaboejoetan.

Di djero imah moelek koe haseup, pararoék, da ngan aja lolongok baé hidji, dina bilik toekang bangoenna pasagi disarigrig koe awi, anoe minangka djandélana téh.

Dina bilik koedoe baé aja keris djeung gobang. Dina pamidanganana (galar) sok aja eunteung leutik noe alihan téa, paranti awéwé ari ngaloeis.

Imah Poeoen ogé nja tjara kitoe baé ngan leuwih gedé. Ari éta balé téa pandjang, roebakna 5 m langgongna 3 m, gawéna paragi koempoelan, paragi rioengan, paragi mantoen (soekan-soekan minangkana), paranti hahadjatan, moetoes perkara djeung sadjaba ti éta (tingali engké di pajoen). Pantona doea kéntja-katoehoe. Panto anoe hidji leuwih loehoer batan anoe hidji deui, nja ieu paragi asoep Poeoen, di djerona ogé maké doea hambal, sapotong loehoer sapotong handap, kira-kira 3 dm oempakanana; dina bilik toekang lolongok pasagi mingka djandéla.

. . . . . .

Poeoen[édit]

Pangkat Poeoen téh toeroen-toemoeroen tjara boepati, sarta anoe digadang-gadang pipoeoeneun koedoe geus ditangtoekeun koe Poeoen keurna hiroep kénéh.

Poeoen bogana bodjo sabisa-bisa oedoe ka anak poeoen deui ti lemboer sédjén; sarta salawasna koedoe boga pamadjikan, lamoen bodjona maot koedoe eureun tina djadi poeoen, sabab boga bodjo mindo mah, tara, nadjan éta mah lain boejoet, tapi geus djadi adat, tara tjroek-tjrék tjara oerang; éta téh kabéh oerang Badoej mah kitoe, lain ngan poeoenna baé; teu aja, noe boga popotongan, maroe atawa basa téré téh. Poeoen anoe djadi Boepatina, ngaheujeuk nagara ngahiras djadi kapala agama, anoe nanggoeng beubeurat djiwa sabawahanana.

Meureun pareboet pada hajang kapilih djadi Poeoen moen di oerang mah!

Henteu, oerang Badoej mah! Nadjan Poeoen anoe djadi ratoena, pangmoeljana pangkawasana, tapi réa anoe tjeurik ari kapilih kana djadi poeoen téh, tampolana aja anoe minggat mitjeun manéh, tjara Ki Djapar oerang Badoej anoe aja di kaboepatén Sérang. Ari lantaranana, nja éta tina inget kana tanggoenganana kana beubeuratna kana papaitna anoe djadi wadjibna.

Toemerap dina rasana papait anoe djadi Poeoen, koedoe djadi wawakil Batara Toenggal téh, koedoe ngaraksa djeung nangtajoengan djiwa sapangeusi Badoej. Lain deui djeung di oerang, djelema téh ngan haripeut inget kana mamanisna woengkoel.

Poeoen ngadjalankeunana pamaréntah dibantoe koe Girang Seurat anoe minangka papatihna (lain secretaris), djeung koe pangasoeh kokolot. [ 136 ] Dina keur rioengan-rioengan, keur hahadjatan atawa naon-naon baé gawé kaperloean agama, Poeoen téh misah ti anoe réa dileuwihkeun ti sasari diadjénanana, ditenggangkeun kahormatanana, sarta dina waktoe kitoe tambah diagoengkeun koe seseboetan, harita mah tara disareboet Poeoen, tapi: Girang Poedja, atawa Sarangéngé atawa Karolot.

Ari nampa gadjih mah Poeoen téh henteu, ngan padjegna ka Goepernemén di tanggoeng koe saréréa, imahna meunang imah kaprabon, diadjénan dileuwihkeun ti anu sédjén. Pangoepadjiwana nja matjoel koe manéh baé Poeoen ogé, goear tanah tjara anoe lian, teu pisan aja bédana ari dina kitoena mah.

Anoe djadi Girang Seurat djeung Pangasoeh Kokolot, ieu diangkatna koe Poeoen henteu aja pisan kaoentoenganana, ngan pangkat kahormatan baé, anoe djelemana teu nampa pangadjénan, da anoe lian basana ka éta pangkat téh, basa tjara ka sasamana téa baé, ngan woengkoel kapapantjénan gawé.

Babakoena gawéna nja éta ngatoer djeung ngoeroes hoema-sérang (hartina: hoema anoe koedoe digarap koe saréréa, sarta beubeunanganana anoe saréréa, keur kaperloean dina hahadjatan agama. Tingali di pengker), dina hadjat Kawaloe, dina ngoeroes merbait lamoen aja anoe kapapaténan djeung ngatoer oeroesan agama. Ari Kokolot, lian ti djadi tangan-tangan atawa pakatjar Girang Seurat, nja éta djadi toekang maréntah djeung ngatoer oerang panamping deui.

Kadjaba ti Poeoen, Girang Seurat djeung Kokolot, aja deui: parekan, réana toedjoeh djelema, anoe djadi nréngréngan dina nimbang perkara agama atawa drigama, anoe koedoe dibarempoegkeun koe Poeoen.

. . . . . .

Hoema sérang[édit]

Di oenggal sisi lemboer anoe tiloe téa, aja saloewoek tanah beunang milih Poeoen, anoe koedoe digarap koe sapangeusi lemboer éta nja éta anoe dingaranan hoema-sérang téa.

Aja deui saloewoek, anoe koedoe digarap koe saréréa ti anoe tiloe lemboer téa, ieu ogé hoema-sérang kénéh.

Beubeunanganana tina hoema-sérang téh pikeun hahadjatan, hadjat laksa, dj. s. t.

Dina prakna ngagarap hoema-sérang, Poeoen, Girang Seurat, ogé miloe digawé, dipantrang pisan teu meunang njidoeh teu meunang ngésang, teu meunang kiih; éta sababna sabot digarawé tara ngarinoem. Baroedak djeung awéwé teu meunang miloe digawé.

Bibit pelakeuneun di hoema-sérang téa koedoe anoe asal ti hoema-sérang kénéh, henteu meunang sambarang paré.

Anoe ngadjedjeran hoema-sérang ti mitembejan nepi ka diboeatna, nja Girang Seurat téa.

Paréna diampihanana di balé, lain di leutik. Makajana poegoeh waktoena, henteu sakama-kama baé, bareng saréréa teu meunang pakarentjilan, nja éta:

Njatjar dina tanggal 28 boelan Sapar
Ngabersihanana tanggal 22 boelan Kanem
Njoendoetan tanggal 17 boelan Kapitoe
Tebar tanggal 22 boelan Kapitoe
Ngojos tanggal 18 boelan Kasalapna
Diboeat tanggal 7 boelan Kasa.

Saréngséna tina oenggal gawé téa koe maranébaanana dianggap rijaja, saréréa baleberesih maraké papakéan sarwa bodas anoe haradé, saroekan-soekan malah dina mentas Tebar (minangka tandoer) maké nabeuh angkloeng sagala roepa.

. . . . . . .

Kawaloe.[édit]

Ari pésta anoe panggedéna nja éta dina hadjat Kawaloe, minangka tanda soeka arék panén, nohonan papagon agama. Pésta kawaloe téh tiloe kali, nja éya ka hidji: Kawaloe-mitembej, dina boelan Kasa, di mana paré geus asak, téréh dipibuatan, minangka njalin.

Ka doea: Kawaloe-tengah, dina boelan Karo, sarénvséna diboeat,

Ka tiloe: Kawaloe-toetoeg, dina boelan Katiga, sanggeus ngakoet ampih paré.

Waktoena éta anoe tiloe Kawaloe ditangtoekeun koe Poeoen Tjikeusik.

Kawaloe toetoeg, ditéma koe hadjat laksa éta. [ 137 ]Prak-prakanana pésta kawaloe, kieu:

Dina poéan pésta téa isoek-isoek djelema-djelema koempoel di kampoeng-djero, nja babakoena di balé téa, beunang maraké anoe haradé.

Girang-seurat djeung djelema anoe kapilih, broel ka imah Poeoen, gék darioek di tepas, dek njarieun antjak, saméter pasagi gedéna, koedoe njieun salapan. Tanggangé koedoe anggeus, sok baé antjak téa mah di tepas Poeoen.

Doea djelema anoe mentas digawé koe Girang-seurat dipetakeun kana njapoean djalan, ti imah Poeoen ka balé, koedoe lénang pisan. Saréngséna sasapoe, koempoel deui di imah Poeoen, sarta sanggeus kira-kira sapanjeupahaneun broel Poeoen, Girang-seurat, djeung sakabéh djelema téa ka waloengan, leumpangna ngantaj, pada marawa handjoeang beureum.

Barang geus daratang ka sisi waloengan, prak ngaralaan badjoe njoeplak iket, tjlom handjoeang dikanatjaikeun dipaké ngéprétan sirahna. Loeng handjoeang téh dipalidkeun.

Tidinja kakara ngaralaan samping saréréa, broes marandi, tapi teu meunang geroeh teu meunang haliwoe.

Ti waloengan broel deui ka imah Poeoen, brak bararang dahar di tepas, ti dieu broel saréréa ka balé.

Sabot lalaki keur njieun antjak di imah Poeoen, awéwé-awéwé digawé di imah Girang-seurat, njadiakeun keur sidekah téa.

Sanggeus kadaharan asak, toeloej dibawa ka imah Poeoen dipasrahkeun ka pamadjikan Poeoen, prak ngeusian antjak noe salapan téa.

Anoe saantjak eusina seupaheun (pinang samajang, seureuh 20 beungkeut, apoe 10 boengkoes), ieu antjak disoehoen koe anak Poeoen dibawa ka balé, ditampanan koe G.-seurat, toeloej dibagikeun. [ 138 ]toehoeeun bonéka diteundeunan lantjah ma­oeng, sakentjaeunana diteundeunan soesoeh, hoerang djeung keujeup. Eta kabeh diwa­dahan deui dina tampir (tawoer) anoe pinoeh koe takir (tjeuk oerang Badoej mah téké, nja eta daoen tjaoe dipintjoekkeun dieusi laksa tea, réana sadjoemlahna lalaki anoe geus sawawa di sakampoengna, éta takir daoen tjaoe dipaselangkeun djeung daoen tjang­koeang, dibangoenkeun djedjelemaan, reana sarea awewe.

Heuleut doea poe ka tiloena ti mentas kawaloe tea, bring tampir boneka teh dii­ring-iringankeun dibawa ka leuweung. Sok diteundeun sarta memeh ditinggalkeun, Poe­oen mapatkeun djampe heula, kieu pokna:

„Poen, poen, poen! ngatoerkeun peutri geulis lelandjar endah, perawan entang-en­tangan, basana njanda njoerangga kana emas galigiran ngatoerkeun ka soesoegoehna, ro­rongkeng, maka tjoekoel sing barang ha­toeran meunangan sing barang witjara njilep lalandep songgang babaja mangka djaoeh ka balai.

Sakoeriling tampir (tjeuk oerang Badoej mah; tawoer, ditantjeban toetoembakan njere kawoeng, sareana lalaki anoe aja harita. Ngan beulah kidoel dikolowongkeun, nja eta pidjalaneun Batara Toenggal, sarta disadiaan roeas awi tiloe, dieusi wajoe (bangsa toeak, matak mabok), djeung tjeungtjeum (angeun) didjaga koe langgir hiroep.

Broel sarerea mah maroelang, ngan kari kokolot bae saoerang, toenggoe ngintip di sisi leuweung sakeudeuug.

Engke kokolot teh ngagero sataker tanaga, sing kadenge ka lemmboer, sarta ger ditem­balan koe tatabeuhan, naon bae anoe beunang ditakol mah ditabeuh, datang ka ngagoeroeh, atoeh awèwe-awewe ger toetoenggoelan.

Baroedak kabeh sina ngadedempes di imah. Ari eta ngarak boneka teh, minangka bahakti istri ka Batara Toenggal, soepaja nangtajoe­ngan ka manehna.

Ari ieu kokolot ngagero tadi djeung rame toetoenggoelan sagala roepa tea, eta tanda noembas (Geuning di Soenda oge aja keneh adat noembas koe njeungeut bedil atawa mariem).

Sanggeus salse, toeloej marandi deui di waloengan, sarta ger lalaki ngarioeng di bale, ari awewe-awewe di imah G. Seurat, dahar balaketjrakan lalawoehna make laoek mentjek, peutjang, boeoet djeung peusing, anoe meunang moro tea. Memeh prak dahar ajeuna mah didoaan heula koe Poeoen.

. . . . . . . . . .

Oerang Badoej leuwih djarangkoeng ti oerang Banten, sapantar djeung oerang Priangan. Waroegana sareseg djeung koeat; leuwih bisa leumpang di noe nandjak moe­doen tinimbang di noe datar. Pakoelitanana semoe koneng, teu aja anoe hideung, paromanana hade, meh euweuh anoe goreng patoet pisan, komo awewenamah. Anoe tanpadaksa teu aja. Berseka, marandi sapoe doea kali.

. . . . . . . . . .

Oepama oerang gok djeung oerang Badoej, koe sabr?han oge oerang bisa ugadoega sipat atina, anoe geus kaoetara kahadeanana sakoemaha anoe geus kaaroeninga, sok ditjararitakeun dina boekoe-boekoe. Atra tetela dina beungeut oerang Badoej, gambar sipat kadjembaran hatena, lain ka­langkang noe loeak leok, ngolembar babari gedag. Moenggoeh di oerang Badoej mah, teu aja pajangkad-pojongkod kajap-kejep, balaham b?l?h?m t?h, ieu mah teteg antjeg panger teger, nadjan njanghareup ka saha bae. Boedi gambar balaka, taja kareumpan, pertjaja kana dirina, teu rioek koe gebrag deungeun, dina beungeut oerang Badoej beunang dibaca koe sarenea,

Sabalikna ti tatanggana noe lian, anoe, memeh hol djelemana kapan pojongkod, ma­wa sebér ati mangmang, sieun kasawoer koe rendjag, norodjoltembong miheulaan noe bogana. Oerang Badoej estoe weuteuh, tjer? satjéréweléna adat watek warisan ti Padja­djaran, tatjan kalambon koe panggoda pangropea semah, anoe sok naratajan t?pa ka priboemi. Nja ieu gambar watek, ati, djeung taladjak Soenda toelen anoe saenjana mah.

Saoer Prof: Veth, og?, lantaranana pang ­bangsa Soenda djadi borangan, boga sipat abid (rasa hina tjara boedak beulian) kam­pad-kompod, koemawoela dibêlaan hina, [ 139 ]kaapesan diri dipake ngagoengkeun batoer, tjindekna roeksakna sipat kamoeljaan hatena Soenda, taja lian babakoena ngan koe pa­nandasana anoe marentah.

. . . . . . . . . .

Atikan kana lempengna lakoe, henteu di­loemajankeun, nadjan aja kasoekaan mantoen djeung ngawih oge, lain méréan djalan kana roentjah. Baroedak lalaki anoe geus disoendatan teu meunang sare di imah kolotna, tapi kabeh koedoe sararé di bale téa, nja kitoe deui djadjaka anoe teu atjan laki-rabi; sarta ditoegoeran ditalingakeun diatik koe hidji kolot. Ari beurang liar kana gawe, tamba nganggoer diselang mantoen, Teu dioembar kana ngalamoen njorangan. Ti barang soe­roep panon-poé, sakabeh eusi bale teu meu­nang aja noe liar.

Laki-rabina kabéh loeloes roentoet, teu aja anoe pepegatan, Lamoen kadjadian aja anoe patjogragan nepi ka rek pepegatan, eta geuwat dipariksa disoesoed marga Ian­taranana koe Poeoen djeung rengrenganana tea. Saha anoe katimbang salah, toeloej bae diboeang salah sahidji, atawa lamoen salah doeanana, nja doeanana ditoendoeng, Poeoen anoe ngaragragkeun hoekoem.

Nadjan oemoer 7 taoen, geus dikaloearkeun tina golongan boedak. koedoe noeloeng gawe kolot, tapi oerang Badoej teu aja anoe ngawinkeun boedak, tjara anoe ajeuna sok kapendak di bangsa oerang. Oerang Badoej mah teu aja anoe kawin memeh oemoer 15 taoen, biasana leuwih, nja eta lamoen geus ngarasa sarta katimbang tjoekoep pa­nemoe geusan hiroep laki-rabi, Saoer toean Dr. Jacobs; ,,awewe oerang Badoej, ingeta­nana djeung pahamna kana boga salaki; deukeut atawa deuk ngabanding kaawewe hangsa Eropa.”

Oepama aja djadjaka anoe boga deuleu, aja landjang anoe soeroep kana lelemboe­tanana, lila dikantanankeunana, sarta dimana geus aja oentoepan kana maradahna, sok toeloej ngoemaha ménta toeloeng ka kantjana anoe sapapait samamanis djeung manehna, sina ngolongan ka kolot awewe. Si Mitra miloe nanggoeng papait lara wirangna koedoe didjaga. Dimana geus aja erongan, sarta djinis teu aja barébédanana, dioeseupan koe sindir basa sandi djeung siloka, kakara si kantja tea datang ka kolot awewe mawa seupaheun, rek mangnanjaankeun.

Lamoen seupaheun ditampa, kakara kedal tjarita nanjaan tea.

Tapi . . . . kolotna nampa teh geus asak badami djeung djinis, teu gana-gana narima lamoen djinis atjan poeroen atjan pandoek. Di Oerang Badooj teu aja kawin paksa, teu aja pangrérémo kolot, koedoe Soeka pada soeka, kabaroeng kadoa kolot awewe.

Ti sanggeus ditampa panglamarna, pang­terehna koedoe bene-beureuh (papatjangan) doea boelan lilana, kakara nikah, Papatja­nganana teh koedoe kasaksi keo Poeoen sarta diembarkeun ka sarerea.

Ti barang bené-beureuh, pipanganteneun awéwé djeung lalaki teh teu ara paomong, sarta patepoeng oge sabisabisa oelah m­ideng teuing, tapi koedoe katjar anggang,

Dina waktoena kawin panganten lalaki koedoe mawa ali perak atawa tamaga keur pipamadjikaneun djeung saboek tinoen, ieu tanda ngadjadikeun lamoen ditampa koe awéwéna, sabab sok radjeun ogé saar, teu djadi kawinna lamoen robah hate awewe di sadjero doea boelan tea. Tapi Iangka pisan aja kadjadian kitoe teh.

Poeoen, anoe nangtoekoun poéan kawin téh, nja eta diitoeng noeroetkeun palintangan anoe ninggang di moestarina,

Nepi kana mangsana kawin, bring besan djeung panganten lalaki ka imah Poeoen.

Bapa lalaki masrahkeun (mikeun) anakna ka Poeoen, koe Poeoen ditarima, djadi eta djadjaka ajeuna diakoe anak Poeoeu; pok Poeoen ngarapalan anoe koedoe ditoeroetan koe panganten tea, kakara sok dipasrahkeun ka mitohana, katampa ti leungeun poeoen, sina dipasrahkeun deui ka anakna awewe tea, anoe ajeuna geus djadi rabina, koedoe miboga éta djadjaka djadi salakina.(1)

Sanggeus bérés toeloej hadjat, sarta pa­ngantën koedoe hoeap-lingkoeng, tempatna di balé. Dina hahadjatan kieu poeeon dioekna ngan sorangan di balé hambalan loehoer tea, njanghareupan pamasangan, anoe sédjén mah kabeh di hambalan handap.

Harita sok ngarinoem wadjoe anoe matak mabok tea. [ 140 ]Tepoengna pangantên awêwê djeung lalaki, nadjan keur ninggang dina goenoeng soeka, koe anoe djadi lalaki koedoe aja anoe dipapatkeun babatjaan, kieu Pokna; ,,tjoepoe manik tangkal dada, tan koemala eusina koemala inten.”

Ngomong kitoe teh bari rap manêhna njagap soesoe panganten awêwê. Djeung omongan ieu deui: ,,Malekat tjoeloek kawati, moelia rasaning Allah.”

. . . . . . . . . . .

Orok dibêreanana ngaran koe Poeoen, sarta tepi ka paêh tara goenta-ganti ngaran. Ngan lamoen geus boga anak sok katelah koe anak.

Tadi di loehoer ditjarioskenn jén oerang Badoej têh disoenatãn, malah di oenggal lemboer aja bêngkong (paradji soenat); pa­kakasna babango biasa hae. Mêmêh bret ugeureut, bêngkong mapatkeun djampe, kieu pok— pokanana:

„Poen! Sirep sari koering, sang rintjing­rintjing eukeurna boemi tatjan deuk ngaroe­pa, kakara deuk awaking djeung noe rom­pes tiis bekanning biri leuwi, rep sirep keuna koe sirep sari koening!”

Oepama aja anoe geuring, nja sok dioeba­ran, ngan ngoebaranana lain ngingetkeun kana hajang têrêh tjageurna, tapi ngan tamba soepaja karasana oelah njeri teuing da ari tjageur henteunamah koemaha kersana Batara Toenggal.

Oepama aja anoe maot, dina imanna nja­wa teh disaoer koe Batara Toenggal.

Anoe maot dikoekoesan, menjanna: tjang­kang doekoeh toehoer, kajoe — garoe, djeung akar djamaka.

Majit dimandianana di loear koe koko­lot tea.

Bari njiraman manehnah mapatkeun djam­pê ieu:
„Poehatji balak bahan djati ngaran sirah tjai.
„Poehatji keliran djati ngaran sisi tjai,
„Poehatji inggoelan djati ngaran batoe,
„Poehatji tasik manik ngaran keusik,
„Poehatji lêngsaran djati dasar tjai,
„Sang moekeji ngaran tjai,
„Sang ratoe kerepek sêah ngaran paroeng,
„Sang ratoe anggara mana ngaran nja­wa tjai,
„Bersih badan sampoerna.”

Ngoeboerna majit njangirah ngoelon njang­hareup ngidoel sanggeus dikoerebkeun, aja deui anoe mapatkeun djampe, kieu:

Ong Ilahêng. ka ditoe oelah teupoegoeh ngadjoegdjoegan, ka ditoe ka kawoeng anoe ngaloewoek, ka kalapa anoe ngadjadjar, ka djambé anoe ngabêrês, ka si gelemeng hideung!” ­ Oepama aja anoe katinggal maot koe sa­laki, heuleut tiloe taoen, meunang boga deui salaki, ngan tara daraekeun tina toe­hoe ka salakina noe maot tea.

. . . . . . . . . . .

Kadaharanana nja meh sami bae sareng oerang Soenda noe lian. Aja anoe njarios kieu:

Oerang Badoej sok ngarala loetoeng, di peupeuh koe gegendir nepi ka paeh. Rap dibebed loetoeng boengkeuleukan teh koe oepih, sok digantoengkeun di para seuneu.

Engké aja noe njaktjlakan tina oepih teh, tjai loetoeng téa, ditandean koe katoeng.

Oepami maranehanana ngangeun hiris, sangkan oeplek, sok ditambahan koe tJai anoe tina katoeng téa. Ieu téh djadi ka­nimatan pohara wartosna.

Nedana sadinten tiloe kali, isoek- isoek, tengah poé djeung sore samémeh sareupna,

Kongkorongok hajam sakali,djanari— djanari, sadaja awéwé haroedang, teu aja anoe ngaloeloengkoet ngararasakeun kange­doel sarta prak miroen seuneu naheur tjai toeloej njangoe keur njadiakeun dahareun isoek- isoek,

Lalakina ogé tara aja anoe hoedang kapi­heulaan koé panon-poé; sarta sanggeus moemoeloek broel kabeh kana gawé satjabakna-satjabakna,

Papakéanana beunang ninoen awéwéna teu kaselapan beunang meuli sarta ngan bodas djeung boelao bae. Ari kana roepa anoe se­djén mah soemawonna maké, dalah nje­boet ego boejoet. Saperti kana beureum, teu meunang njeboet beureum, da boejoet, koe­doe siang. Kana hideung koedoe peutjeuk.

Nja kitoe deui réa sato atawa barang sédjén anoe djadi pantrangan, teu meunang diseboet ngaranna, tjontona: [ 141 ]

Kana meri koedoe kotok dempél.
Kana embé koedoe mentjék kolong.
Kana beurit koedoe sato geulis.
Kana koeda koedoe toetoempakan.
Kana moending koedoe tjotjooan.
Kana sigoeng koedoe peutjang baoe.

Sareng saladjengna.. Tapi dina waktoe mantoen teu aja kapantrang, njeboet naon baé kénging.

. . . . . . . . . . . . . . . .

Tadi parantos ditjarioskeun jén di oenggal para seuneuna aja koesi ngagantoeng, wadah oejah nahoen téa. Éta oejah téh djadi barang poesaka anoe toeroen toe­moeroen diwariskeun ka anak intjoena; aja anoe geus teu mangroepa oejah tina koe heubeul-heuheulna. Ajeuna mah diarampihan dipoesti-poesti téh, geus lain inget kana goenana, tapi ingetna téh kana poesaka téa, tanda toehoe ka karoehoen.


Wawatjan Babad Galoeh.

Pangkoer.

Samboengan P. S. No. 8.

89

Toeloej adjar seuseurian;
henteu pisan manahna soeker saeutik,
Kadjeun teuing ratoe bendoe,
manahna henteu soesah,
da geus tangtoe éta kersana Jang Agoeng
moal beunang diobahan,
boedak medalna lalaki.

V. Poepoeh Sinom.

90



“Tjing, ajeuna geura boeka,
koe kami sing katingali.”
Barang brak dibaroekaan,
kawali henteu kapanggih,
geus leungit tanpa lebih;
kantoen beuteung Oedjoeng njemploe,
Troes reuneuh sajaktosna.
Héran kabéh noe ningali;
tambah-tambah ratoe bendoe serta wi­rang.

91



Éta kawali didoepak,
koe adjar. Keur waktoe tadi,
saméméhna diboekaan,
koe adjar enggeus ditarik;
ninggang ka sisi tjai,
dina sakoeloneun, lemboer,
ngaranna Sela pandjang.
Mana diseboet Kawali,
sabab éta kitoe dina tjaritana.

92



Toeloej adjar diboeboerak,
koe ratoe dititah balik.
Barang adjar enggeus poelang,
ratoe nimbalan ka patih:
“éh, patih djeung pramantri,
geuwat koe manéh saroesoel,
adjar geura paéhan,
tjatjag mangka bidjil peudjit.”
Toeloej boedal patih reudjeung balad-balad.

93



Adjar kasoesoel di djalan,
dirodjong koe para mantri;
ditjatjag ditaroembakan,
tapi teu mental sahidji.
Kris, toebak reudjeung bedil,
kabéh éta mararintoel,
taja noe teurak pisan.
Toeloej ki patih ngalahir:
“kersa ratoe, adjar, koedoe dipaéhan.”

94



“Ditoembak koedoe getihan,
sarta koedoe tidjoempalik.”
“Eh, koetan kitoe kersana,
soemangga baé, ki patih.”
Mana kitoe geus djandji,
da kitoe kersana ratoe,
toeloej adjar ditoembak,
sarta baridjilan getih,
tapi éta getih téh hérang katjida.

[ 142 ]

95

Noe matak di dinja aja,
ajeuna téh ngaran tjai,
Tji-beureung djeung Tji-kedengan,
Tji-hideung Tji-konéng deui,
Tji-hérang hidji deui,
noe aja di sisi lemboer,
margana téh di dinja,
tina getih adjar tadi,
tah, sakitoe poerwa aja ngaran éta.

96


Njai Oedjoeng sekar djingga,
geus dongkap ka waktoe lahir,
medal pameget poetrana,
roepana kasép téh teuing,
moeloes salira siwi.
Ditjabak-tjabak koe ratoe,
aja sora teu karoehan,
oengelna: “lamoen noe serik,
tangtoe pisan dibalesna leuwih lara.

97


Geus kitoe, ratoe ngamanah:
ieu moal naon deui,
mo 1iwat ti éta boedak,
mangké nganjenjeri aing.
Geura baroeang, patih,
éta boedak bisi hiroep,
koedoe paéhan pisan,
ajeuna meungpeung keur leutik.”
Patih njembah: “soemangga kersa gamparan.”

98


Patih mah njaaheun pisan,
ka éta téh moerangkalih,
patih ngabidjilkeun akal,
bari mawa moerangkalih.
Njokot kanaga hidji,
montjorong tjahaja hoeroeng,
sabab kanaga téh mas,
djeung njokot endog sahidji,
reudjeung mawa sahidji kalapa asak.

99


Kanaga téh dieusian,
nja éta koe moerangkalih,
sarta endog djeung kalapa
ditjampoerkeun djadi hidji.
Geus kitoe, nganggo rakit,
dipalidkeun ka Tji-tandoej.
Ditoenda tjaritana.
Ajeuna kotjapkeun deui,
aja djalma ngaran Aki balangantrang.

100


Di dinjana henteu apal,
Peuting harita téh ngimpi,
ngimpi katinggang koe boelan,
reudjeung katindih koe langit.
Hoedang njambat ka nini:
“isoek-isoek, waktoe soeboeh,”
-sarta bari tjarita-
“aing tadi, nini, ngimpi,
langit nindih reudjeung katinggang koe boelan,”

101


“soegan mah saapan oerang
oentoeng ti batan sasari”
“Aki, geuwat, geura téang.”
Aki-aki gantjang indit,
barina alak-ilik,
reudjeung bari dikoekoedoeng
Datang ka poepoedoenan,
aja tjahja katingali;
diprantjahan: “djoenig njingkir, sétan njingkah.”

102


Tétéla dina saapan,
aja tjahja katingali,
Aki téh seug babatoekan,
bawaning koe gimir ati.
Ti dinja Aki mipir,
tjahja teu katingal hoeroeng;
ngan ningal aja kanaga.
Toeloej dibawa ka sisi,
seug diboeka, aja boedak kasép pisan.

[ 143 ]

103

Aja endog djeung kalapa.
Digeuwat dibawa balik.
Aki téh atoheun pisan,
datang njeloekan ka nini:
“nini, ka dieu bidjil,
geura ieu aing nimoe,
moerangkalih kasep pisan,
oerang djieun anak, nini,
ari endog djeung kalapa oerang pe1ak”.

104


Moerangkalih dipiara,
Geus lawas sok diaais.
Geus emoet, nanjakeun rama,
“Aki, saha bapa koering?”
“Eh, djang, nja ieu, Aki,
apan bapa ti ka poengkoer”.
Moerangkalih ngabendoean,
“Moal enja manéh, Aki,
Nini, Aki ka koela tjoemah miara”.

105


“Hajoe, oedjang, ka nagara,
di ditoe sadoeloer Aki,
ajeuna oerang téangan,
noe ngaran Empu Andjali
tangtoe bakal kapanggih,
mangké rama sareng iboe”,
Kotjap toeloej laleumpang,
Datang ka leuweung téh manggih,
manoek tjioeng eunteup dina kakaian.

106


Moerangkalih toeloej nanja:
“Aki, naon dina kai,”
Ki balangantrang wangsoelna:
“manoek tjioeng éta pasti”.
Teu lila manggih deui,
anoe ngarandang di loehoer,
gék dioek di dahanna.
“Aki, itoeh, naon deui?”
“Moen teu terang, éta téh ngaran wanara”.

107


“Hadé keur ngaran kaoela,
Tjioeng Wanara téh, Aki”,
Ki balangantrang wangsoelna:
soemangga, sakersa ngiring”.
. . . . . . . . . . . . . . . . .

115


. . . . . . . . . . . . . . . . .
mriksa ka Empu Andjali:
“anak manéh pribadi
atawa nja anak poeloeng ?“
Poe Andjali ngadjawab:
“meunang doeloer abdi manggih
ti saapan diwadahan koe kanaga.”

116


Ratoe gantjang moendoet katja,
ningali raraj pribadi,
ladjeng ningali poetrana.
“Naha sakaroepa teuing!”
“Aéh, aéh, Poe Andjali,
anak manéh oelah miloe,
pénta baé koe oerang,
rék diakoe anak kami.”
Ki Andjali hatoerna: “soemangga pi­san.”

117


Ratoe parantos boebaran,
kersana moelih ka boemi,
Tjioeng Wanara, Hriang Banga
bareng djeung Maradja sakti,
kersa ngiring ka boemi;
kabéh pada nganggo pajoeng,
nganggo padjeng kapoetran.
Ngagoeroeh sora noe ngiring,
para garwa, selir parekan, pawarang.

VI. Poepoeh Midjil.

118


Kangdjeng ratoe geus moelih ka boemi;
gék tjalik di djero,
dikoempoelkeun poetra-poetra kabéh.
“Hariang banga, Maradja sakti,
Tjioeng Wanara, anak ing,
kadarieu koempoel.”

[ 144 ]

119

“Ieu ama arek mantji-mantji,
soepaja kadenge.
Hriang Banga djadi preboe anom,
Tjoeng Wanara djadi pandaj beusi,
Ngaran Empoe Andjali,
Djoemlah dlapan poeloeh.

120


Maradja sakti, maneh teh dipantji,
Diberean gedong
Djeung eusina sakalian bae,
Nagarana eta beh hilir,
Diberean pasti
Tanah Dajeuh loehoer.”

121


Tjioeng Wanara, kotjapkeun deui,
Keur ngadamel enggon
Pikeun djalma-djalma noe diares;
Bisi aja mantri noe serik,
Atawa boepati,
Eta anoe kitoe.

122


“Nanging, rama, nja kedah ningali,
bisi kirang sae.”
Ditjabakan barina ditempo;
Ladjeng ratoe teh ngalahir:
“meudjeuhna teh teuing
beubeunangan, agoes.”

123


“Rama, aja panasaran abdi,
eta noe di djero,
wantoe atjan katingal di djero,
hajang koe rama tingali,
meungpeung tatjan rapih.”
Ramana seug asoep.

124


Barang asoep disoesoel, dikoentji,
Ti loear disorog,
Dioesapan koe loedah bet rekep,
Pageuh, moal bisa bitjil.
Tjioeng Wanara ngalahir:
“Kami meunang bioel”.

125


Hariang banga midanget warti,
Ti noe tjatjarios,
Lamoen ratoe geus aja di djero
Diasoepkeun ka pandjara beusi.
“Koe naon, kang rai,
boga lampah kitoe?”

126


Pek naradjang henteu nanja deui,
Barina ngarontok;
Seug noemboekan nampiling djeung njabok.
Hriang banga disoeroeng ka hilir,
Ngadoeroegdoeg tarik,
Kandeg noe loemakoe.

127


Toeloej datang sang Maradja sakti,
Baris harewos:
“eta rama, wawales adjar teh,
bongan teuing rama njieun sakit”.
Ramana ngalahir:
“lamoen henteu kitoe,”

128


“lamoen adjar teu paeh koe kami,
wekasanana teh,
moal aja ratoe njekel gawe,
tinangtoe poelo Djawa sepi
reudjeung bapa titip,
omong mangka goegoe.”

129


“Poelo Djawa, moen geus euweuh kami,
tangtoe meureun tjektjok.
Enggeus tangtoe pareboetan bae,
Poetra-poetra, para boepati,
Miwah para mantri,
Poegoeh para ratoe”.

130


“Maradja sakti, maneh sing eling,
poma oelah poho,
noe sakitoe omongan bapa teh.
Poepoelihan kabeh koelawargi,
Noe gede noe leutik,
Kabeh anak poetoe”.

Aja samboenganana.