Poesaka Soenda 1924-07-3(01)

Ti Wikipabukon

[ 1 ]

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - SALEMBA 84. – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 1.

1. Sasakala katja 1
2. Panaloengtik kaajaan oerang Djawa djaman koena " 9
3. Toemaros " 13
4. Ngadjadjah tanah Pasoendan Baheula " 16


Sasakala.


Oepami oerang ngadangoe sepoeh anoe keur ngadadar Ioeangna tina tjarita-tjarita sasakala, atawa papajan bagbagan babad hidji-hidji tempat, geura na aja asa enja asa ébréh nepi ha djorodjoj pertjaja, geus moal gagal jén kitoe, tjeuk dina panjangka panjeta haté téh. Oepadi oepami ngadangoe dongéng sasakala, anoe madjar nétélakeun sabab-sababna pang di Anoe aja tempat Anoe katoet ngaranna, kitoe, aja anoe kieu téa, geus asa teu matak tjangtjaja, da koe anoe kagoengan tjarita ditoedoehkeun boektina; tah goenoengna, tah talagana, toeh sitoena, ieu dajeuhna, eta oeroetna, enja, siga, pantes pisan; koemaha teu rék diandelna koe oerang, oepama oerangna salantjar mah. Geura mangga dangoekeun sepoeh anoe keur ngadadar lalakon Sang Koeriang, Dajang Soembi djeung Si Toe­mang téa, asa enja naker eta téh di Ban­doeng, tina ningal G. Tangkoeban Parahoe

1
 
[ 2 ]siga pisan parahoe nangkoeb, beunang mapas ngan kari malikkeun; atoeh pisitoeeunana nja tanah padataran Bandoeng, kalioeng koe goenoeng noe bakal djadi tambakan; toeroeg-toeroeg di Tegal-loear, ari ti peuting téh raang pating aroenjai koenang-koenang, sasakala anoe keur ngo­boran lélépén Nji Poetri, ragrag basana keur dioedag-oedag koe Sang Koeriang téa, tjenah. Enja, siga!

Geura koemaha teu matak pageuh kana hajang mertjaja, da poegoeh sakitoe djéntréna! Malah teu koerang anoe noeding, ­sapalih mah aja anoe teu euleum-euleum ngangken jén toeroenan ti Sang Koeriang, poegoeh tjor-tjoranana madjar téh, Tampolana dipaké pamojokan ka Soenda . . . . . . . Tapi éta anoe bieu geus dienjakeun koeoerang, sarta satadina tempatna ogé tepi ka diseboet patilasan téa, engké dimana oerang geus liar ka tempat lian, atawa geus matja loeang-loeangna para boe­djangga geura djol baé kedal: „Iih! Naha? Naha bet di deungeun oge saroea djeung di aing?”

Tah, ana geus oeninga jén kitoe papajanana, si manahoreng sasakala mah, lain ngan di oerang baé ajana, lain ngan di satempat baé. Ana geus aja loeang éta toengtoengna téh bakal disenggakan koe: „Euh, paingan! Koetan kitoe!“

Geura mangga taléngténg sasakala Rawa Dano di Banten, bet sami pisan sareng lalakon Sangkoeriang téa, sami pisan sareng sasakala bangsa Kalang di Djawa, sareng sasakala-sasakala di patempatan sanés, pada kitoe papajanana, teu aja bédana sa anoe oerang téa baé.

Geura oepama koe oerang ditjoektjroek dihaben didjoedjoet raratanana sadaja tjarita-tjarita poesaka di oerang, boh anoe aja dina sasakala, boh anoe geus dipadjarkeun babad téa, engké kaoeninga jén éta lalakon-lalakon téh teu ingkar tina oege­ran, enasna tjarita geus aja patokanana, ngan kari mapaésan nambahan sosom­pangna, masieup reudjeung njoesoeroep kamana ngeunteupkeunana, ngarah siga asa enja.

Kawasna ari anoe djadi loeloegoe maksoed anoe kagoengan pokal mah, taja lian ngan piwoelang, siloka oedageun oerang, pikeun eunteung noe pandeuri, oegeran, pipadomaneun. Kantoen oerang noe ngoen­dangan, masing telik asak sasar, oelah arék kapidangdoeng, ngaenjakeun kana gelarna tjarita, milain ka asalna tadi.

Geura mangga roetjat tjarita Tjioeng Wanara, Loetoeng Kasaroeng, Dajang Soembi sareng sadjabi ti éta, ladjeng dibanding-banding sareng dongéngna tatangga oerang, oerang Djawa oerang Ba­li, oerang Malajoe, toeloej seser kapoe­hoena madjoe ngoelon ka Hindoestan, tangtoe engké kaoeninga koemaha asal ­moeasalna, naon noe djadi poko patoka­nana; Tjoektjroekan éta, goena geusan ngalajeutkeun, sangkan timboel rasa toenggal, oelah todjaiah pasalingsingan harti, anoe matak ngarenggangkeun pa­sanakan.

Dina tjarita Tjioeng Wanara ka­oengel kanagan anoe eusi orok téa dipalidkeun ka waloengan.

Lebah dieu réa kolot noe patelak, tjeuk sawaréh dipalidkeun ka Tji­tandoej, ari tjeuk sawaréh deui: „Ih, lain ka Tjitandoej, tapi ka Tji­taroem, toeh di Oedjoeng Karawang njang­sangna, kana badodon Aki Balangantran Nini Balangantrang!”

Tah geuning geus paakoe-akoe, madjar batoer anoe salah, tina asal asa enja téa, teu oeninga sadajana ogé oekoer tjarita. Toengtoengna ngan mareboetkeun oenén-oenén, teu miroséa kana enasna noe enja téa.

Oepama koe oerang didjoedjoet, tja­rita Tijoéng Wanara téh, tétéla tjoetatan tina papagon lalakon kieu:

  1. Radja ngadodja adjar goena wisésa.
  2. Garwa Radja kalepasan djoerig, toeloej bobot. Radja kagoengan sangka poetra anoe keur dina wewete­ngan bakal ngalindih. Panganiajana noe djadi maroe, téga ka poetra ka­walon.
  3. Baji dipalidkeun njangsang dina tataheunan.
  4. Anoe boga tataheunan ngimpi aloes. Manggih orok. [ 3 ]
  5. Nini-nini doemadak njeungseung pinareup.
  6. Moerangkalih hajang oeninga di rama.
  7. Rama tjilaka koe poetra.

Kitoe pokona anoe djadi loeloegoe tjarita.

Ieu tjarita kieu téh, sanés di oerang baé goemelarna, tapi di mana-mana, sapapagon saroentoejan ngan papaés anoe henteu sa­totos téh. Di Soenda aja, di Djawa aja, di Malajoe aja. malah di Hindoe ogé aja, cénéh, bédjana.

Ajeuna aja deui lalakon Loetoeng Kasaroeng, anoe diangken djadi babad di Soenda, dipadjarkeun poegoeh paésanana poego­eh roendajanana, Malah di Poerwokerto mah réa anoe ngangken nembé toedjoeh toeroenan ti Loetoeng Kasaroeng, sareng noedoehkeun aja sadaja patilasanana, pajarkeun poegoeh boektina.

Nanging geura mangga angkat ka Lombok. Tjeuk oerang Lombok: „Ih, éta mah sasakala kitoe, atoeh karoehoen oerang Lombok, lain anoe oerang Soenda, da di Lombok ajana, di Lombok baheula loengsoerna, éta anoe mindah warna rék ngilari pigarwaeun téh, di Lombok meunangna poetri boengsoe ogé.

Ngan di Lombok mah lain kana Loetoeng Kasaroeng, loemoengsoerna téh mindah roepa kana djadi monjét, mana lala­konna ogé diseboet Toetoer-monjét.

Ari tjeuk oerang Menado? Is, éta mah. loeloehoer oerang Menado, lain anoe oerang Bali, lain anoe oerang Soenda, lain noe Djawa, da di Menado ajana, di Menado baheula anoe kadjadian kitoe téh, ngan ari di ditoe mah henteu mangroepa loetoeng loemoengsoerna ti Kahiangan téh. Oerang Djawa oelah akoe-akoe angga . . . .

Tjeuk oerang . . . . aja deui manawi tempat sédjén anoe pada miboga tjarita poesaka kitoe, moal boa anggapanana ogé siga tjara di oerang téa baé.

Toeh, apan matak patelak djeung ki sanak, oepama pakeukeuh-keukeuh teu daék silih élédan mah, da ari enjana mah tjar­a sapalajangan asal ti sahoeloe-wotan.

Ari pokona éta tjarita Loetoeng Kasaroeng téh moen diringkeskeun, nja lajeut baé djeung di deungeun téa, kieu:

  1. Radja kagoengan poetra istri toedjoeh.
  2. Poetri boengsoe panggeulisna, panghadé haténa, pangsabarna, pangprihatinna. (Ieu patokan sadaja dongeng, poetri boengsoe anoe djadi lalakon).
  3. Poetri boengsoe dikaniaja koe sadérék. Poetri boengsoe ditoendoeng ti karaton. Poetri boengsoe kasangsara.
  4. Déwata ti Kahiangan mindah warna loemoengsoer ka Pantja tengah rék néangan pigarwaeun.
  5. Déwata noe keur njamoer ditampik koe poetri karaton, ditampa koe poetri boengsoe.
  6. Oerang Kahiangan miwoelang roepa-roepa élmoe loengsoer ka Martja-pada
  7. Ngadoekeun djadjatén.
  8. Poetri boengsoe didjait tina kalaraan.
  9. Poetri boengsoe djadi radja, nibakeun wawales ka noe telenges.

Tah kitoe kinten-kinten anoe djadi galoer pakemna mah.

Ari lalakon dina dongeng-dongeng anoe sédjén, lian ti Nji Poetri boengsoe anoe disangsara koe Nji Lantjeuk, aja deui anoe pokona kieu:

  1. Anoe miskin kasangsara, boga anak kabalangsak
  2. Anak noe miskin meunang djimat, biasana lantaran ti sasatoan tina pitoedoeh, tatapa dj. s. t.
  3. Si Miskin djadi sakti, nanjaan ka poetri poetra Radja.
  4. Si Miskin nembongkeun djadjatén.
  5. Si Miskin djadi radja.

Nja henteu satjéréwéléna pisan, hidji-hidjina dongéng anggitan téh aja ogé njimpangna sok aja tambahna, tapi teu pati tebih ti poehoena.

Ari sasakala Sangkoeriang kieu ringkesna:

  1. Radja boeboedjeng ke leuweung, kahampangan.
  2. Bagong anoe nginoem tjikahampangan téa toeloej reuneuh. Ngadjoeroe anakna poetri.
  3. Nji Poetri saloeloet djeung andjing poetraan pameget.
  4. Poetra maéhan andjing atawa maéhan bagong téa. [ 4 ]
  5. Poetra ditoendoeng, aja tjéda tapak nakol dina mastaka. Poetra ngalalana djadi sakti.
  6. Poetra kapintjoet koe iboe. (Aja anoe koengsi saloeloet djeung iboe, nepi ka poepoetra, aja noe henteu).
  7. Iboe pangling ka poetra.
  8. Iboe moendoet tandjakan, moendoet sitoe keur lalajaran sing anggeus sapeuting.
  9. Koe tarékah iboe, anoe keur nambak asa kasiangan, teu koengsi djadi salaki.

Tah kitoe ringkesna anoe djadi galoer mah.

Lalakon Sangkoeriang moal didadar deui di dieu, ngan perloe kaoeninga sasakalana Tjisanggaroeng wates Tjirebon djeung Tegal, anoe sami pisan sareng sasakala Bandoeng, ngan bénten ngaran baé woengkoel, nja éta pisaksieun anoe parantos didadar di loehoer téa.

Kieu sasakalana.

Katjarioskeun alam Galoeh ngadeg karadjaan, anoe djoemeneng Adji kakasihna Praboe Moending Kawati, radja adil palamarta kawentar toweksa ka noe ti handap, asih ka djalma noe leutik. Dina hidji mangsa Kangdjeng Radja ngersakeun boeboedjeng ka leuweung diiring koe para mantri ponggawa, sakalian bari badé soekan-soekan matjangkrama, njandak gamelan djeung najagana sagala, geus komo deui ari katoeangan-katoeangan mah mang poeloeh-poeloeh dongdang, djaba sampakan pamoendoetan.

Nanging anéh pisan di pamoroan anoe sasari oentjal sok rajap, banténg katémbong naloenggiring, rendang kidang di boeboelak, harita mah noedjoe soewoeng henteu mendak peutjang-peutjang atjan. Legig rawoeh toekang ngilang loegah-ligeuh tanpa polah, pamatang pating haroeleng, paninggaran bati rahoeh hoemandeuar, réh weléh teu pisan ningal oedageun. Kangdjeng Radja nitih koeda oebek-oebekan di leuweung nanging teu ningali oentjal sasab-sasab atjan. Barang keur moedoen ka papanggoengan dina lamping hojong kahampangan, loengsoer tina koeda béh mendak doewegan geus kosong, kawas oeroet paninggaran.

Panganggoeran kahampanganana ditandéan koe doewegan téa. Anoe moro teu lami ladjeng boebar. Kandjeng Radja moelih ka nagarana.

Katjarioskeun doewegan anoe eusi tjikahampangan téh kapendak koe bagong bikang ngaranna Tjéléng- goemaloeng. Koe margi tadi mentas diboeboerak diaroedag-oedag koe pamatang noe kabarangsang moerang-maréng pédah teu meunang oentjal, man’ehna katjida hanaangna, toehoereun tikoro bawaning koe hajang nginoem, ajeuna béh manggih doewegan, atoeh teu kira-kira boengahna, geuwat bae diinoem nepi ka béak pisan.

Kersa Déwa noe kawasa, Nji Tjéléng-goemaloeng ngandeg, sarta barang tepi ka waktoena borosot ngadjoeroe anakna teu ngala ka indoeng, ieu mah babaji boedak awéwé geulis lain loeloemajanan.

Nji Tjéléng-goemaloeng boengah tanpa wiwilangan ningal anak mangroepa manoesa, toer sakitoe geulisna, nganoehoenkeun kana kersana noe Maha Koewasa.

Waktoe éta moerangkalih dibabarkeun, ti Kahijangan loemoengsoer para Widadari, badé ngarasanan noe nembé gelar ka doenja, metakeun talari pamoelasara baji. Malah saladjengna ogé tepi ka moerangkalih joeswa 7 taoen teu anggang ti pangaping para Widadari téa; nji Poetri didjenengan Déwi Sepirasa.

Barang Nji Poetri geus ageung, sering huleng djentoel bangoen aja kabingoeng aja anoe dimanahan. Nji Tjéléng-goemaloeng teu ngeunah rasa ningal poetra siga noe ngandoeng kabingoeng, énggalna koe manéhna ditaros: „Eulis, koe naon eulis téh sok hoelang-hoeleng kawas-kawas aja kasoesah? Di deuleu-deuleukeunana koe ema, bet henteu bérag tjara sasari, ajeuna mah ari braj beurang téh bet soek moeroekoesoenoe teu hégar tjara biasa. Hojong toeang naon eulis téh, keun koe ema dipangalakeun!”

Nji Poetri Sepirasa ngawalon ka iboena: „Hih, lain aja kahajang ema! Saterangna mah enja koe koering téh aja anoe eukeur dipikiran. Eta ema, koering [ 5 ]téh mikiran manéh, teu ngarti naha koering téh anak saha, da diseboet anak ema, moal enja, da kapan ema mah bagong, ari koering mah djelema; ari diseboet lain anak ema, moal deui, da ema sakitoe njaahna ka koering. Tah koemaha éta téh ema anoe saenjana, koering téh anak saha?”

Nji Tjéléng-goemaloeng njoeroetjoed tjipanonna ngoepingkeun kasaoeran Nji Poetri kitoe téh, tina geus aja kereteg ilapat pasihan Dewa, jén éta téh tangara bakal pisah djeung noe dipiasih. Tapi tina ngambangkeun kersana anoe Kawasa, nja paralak bae koe Nji Tjéléng-goemaloeng ditjarioskeun ti poerwa wiwitanana jén kersaning Déwa noe Agoeng, manéhna koedoe nekanan medalkeun poetra kamanoesan, djalan tina nginoem tjai eusi doewegan téa.

Barang Nji Poetri ngadangoekeun toetoeran iboena kitoe, sarta oeninga jén andjeunna poetra radja, maksa amit hojong ngadeuheus ka rama, arék masrahkeun salira.

Tjéléng-goemaloeng teu bisa ngorétkeun, djoeng Nji Poetri ka nagara, doemeuheus ka Kandjeng Pereboe, sarta oendjoekan sakoemaha anoe parantos kadangoe koe andjeunna ti iboena téa.

Koe Kangdjeng Radja henteu disieuhkeun, tina emoet kana anoe parantoes kasorang, ngambangkeun papantjén kersaning Déwa. Nji Sepirasa dipasrahkeun koe Kangdjeng Radja ka iboena, soepados dirorok di karaton, nampi woelang di kapoetrén.

Iboena, sadjeroning nampi pamoendoet poetra téh, melengek manahna teu sapoek, ngaraos lingsem tepi ka kedah ngangken poetoean ti tjéléng.

Koe margi éta teu weléh ngageremet ngilari pidjalaneun soepaja Nji Sepirasa ingkah ti nagara. Kaleresan oesoem pageboeg, geuwat Radja Istri sepoeh njarios ka Kangdjeng Preboe jén pang réa anoe gering téh perbawa Nji Sepirasa, malah ditambah saoer karinah, ditjarioskeun jén awéwé noe kitoe pandéna, kitoe adeg-pangadegna, mawa sangar ka nagara, matak roentag pangawasa.

Kangdjeng Radja toemoet kana dawoeh Iboe. Nji Sepirasa kedah dikaloearkeun ti nagara, dipitjeun ka leuweung Simpar.

Patih anoe parantos nampi dawoeh Ratoe, kedah mitjeun Nji Sepirasa ka leuweung, sarta dibahanan pihanéan, pametengan, kintjir, oendar, pakara sapoeratina, katoet kagedogan-gedoganana. Koe Patih Nji Sepirasa dipanjieunkeun babakan nenggang make papanggoengan paninoenan di tengah leuweung loewang-liwoeng.

Nalika badé dikantoen koe Patih, Nji Sepirasa nangis sasambat moendoet pirentjangeun, tina geus kaerong sakoemaha pikeueungeunana, moen andjeunna noenggelis njalira di anoe sakitoe hara-haraeunana.

Koe margi Patih teu wantoen ngarempak timbalan K. Radja, ari ka Poetri watir njatjap, nja sok baé dipaparin andjing kakasih anoe itjeus pisan, boeloena beureum rada galing gilap hérang, létahna hideung, boga kasiat dina mata, nja éta moen paténdjo djeung sato anoe keur diboro, sok matak ngadadak paor; ari ngaranna Si Belangwajoengjang.

Oenggal poé teu aja deui damelna Nji Sepirasa di babakan nenggang téh, isoek-isoek ngantéh atawa mihané, ari pabeubeurang ngentreung baé ninoen dipapanggoengan.

Dina hidji mangsa keur meudjeuhna panas mentrang-mentring, Nji Poetri ngarasa lesoe loengse djeung tareunangan, tapi maksakeun andjeun baé ari ninoen mah tina keur kakapalangna. Barang mentas diketék baréra njorolok kana rorogan, djingdjingan enggeus didjoengdjoeng, belesat toropong nganteuran pakan, milepas teu katampanan, keplos malebahan tjonggang, tjlik moerag ti papanggoengan.

Nji Poetri ngarahoeh, hoemandeuar ngoedar tali tjaor, dajagdag ngalahoen tinoen, ngarasoela kedal lisan: „Hih, aja-aja baé keur sakieu lalesoe laloengséna téh hajoh toropong maké tikeplos ka kolong. Eh, da tjatjak moen aja anoe ha’at mangnjokotkeun, keur sakieu narahnajna mah, moen lalaki dipisalaki, moen awéwé dipidoeloer téh, saenjana!” [ 6 ]Si Belang wayungyang anu kabeneran harita keur ngaloher deukeut tihang papanggungan, dadak sakala curinghak geuwat ngorejat, ngadenge aya basa: mun lalaki di pisalaki “ ; henteu diengkekeun deui, kop bae toropong teh di cokot, kalacat manenha unggah kana taraje, sok toropong digolerkeun di gedengeun Nyi Putri.

Barang ret katingali ku Nyi Sepirasa, Si Belang wayungyang nyodorkeun toropong, bungah kasawur ku reuwas, pok sasauran; “Aeh kutan si Belang, anu hideung mangnyokotkeun toropong aing teh, sukur, jig ka ditu geura turun deui!“

Tapi Si Belang Wayungyang welèh teu daèkeun turun, disi-si disina nyingkah kalah kupat-kepot buntutna, anggur nagog campego melong Nyi Putri.

Ku Nyi Sepirasa nya lila-lila mah teu dipirosèa sarta tina teu kawawa ku nah­nay, turug turug datang tunduh nga­dak-ngadak, gelèhè baè anjeuna ebog deukeut tinunan tea.

Barang kanyahoan ku Si Belang wa­yungyang Nyi Putri geus kulem nya manèhna nagih janji lisan nu geus kedal tea.

Sepirasa reuwas koréjat gugah. Si Belang wayungyang digebug ku barera, datangka ngajoprak getih ulawèran, teu bisaeun hudang deui. Nyi Putri ningali Si Belang arék saka­rat, tjileuk-tjileuk kiceup matana nan­dang kanyeri, ngahelas manahna watir, ras èmut kana takdir salira, geus karsana nu kawasa, geuwat anjeunna nyandak cai pangulas tinun, cur dibanjurkeun ka Si Belang.

Harita kènèh cèrègcèg baè Si Belang Wayungyang waluya deui.

Teu lami antawisna ti harita Nyi Sepi­rasa ngandeg, sarta barang geus dongkap kana bulanna, gubrag babar putrana pameget, mulus taya kuciwana, dipa­parin jenengan ku ibuna: Radén Suwangrasa.

Murangkalih morontod tèrèh ageung karesepna kana moro, ngalalawak atawa nganjingan, Si Belang wayungiang teu­ing ku pureut, uncal ranggah tèh ngan sagawawak~sagawawak.

Sato leuweung méh tumpur tina pu­rugna Ki Paninggaran, kabiruyungan ku bangènna perbawa anjing.

Dina hiji mangsa maung banténg ba­dak uncal, puguh deui ari peucang jeung mencek mah, sesa si Belang wa­yungyang tea., kumpulan pada narea­ngan tarèkah, sangkan bisa nyirnakeun mamala, maehan si Belang wayungyang.

Sato anu galede geus ngabuntut bang­kong, teu untupan ngalawan anu saki­tu digjayana, ngan aya hiji peusing anu boga hojah, sanggup metakeun a­kal rneunangkeun si Belang, sok mun manèhna dijadikeun raja. engkè dimana geus laksana tarèkahna.

Pamenta peusing karempugan ku sa­rerea, yen bakal dijenengkeun raja leu­weung, nadjan saenyana ku nu lian pa­da nyacampah, yèn taya petana sato kitu udeg bisa meunangkeun anu gagah per­kosa.

Ti peutingna peusing tèh ngaliang deu­keut tihang papanggungan Poetri, bari ulak-elok ngagagalak si Belang.

Anjing têh ningal sato sakitu sara­kahna, make los-los ka lebah dinyà, hartiwangeun pisan, aya timburu bisi jeung bisi, inggis aya matakna ka anak rabina.

Ku sabab eta dihaben digogogan, sapeu­ting di ejeput teu eureun-eureun; ari rék dikerekeb teu beunang, kawantu di je­ro liang.

Isoekna Radèn Soewangrasa gugah, rada bendu ka Si Wayungyang pedah manting teu aya reureuhna, teu puguh anu dipanting. Kawuwuh-wuwuh ari jung bade dicandak moro, anjing tèh kalekèd naker nyorèang baè ka tukang rnalah seuseut daèk, mun teu digusur mah. Di pamoroan teu soson-soson cara biasa, manting teu kaur ngorèlèng rnalik ka tukang. Atuh anu moro teh nyamos da anjing njusudna teu kebat.

Tina benduna ten antaparah deui habek baè Si Wayungyang ditilas koe pedang paèh pada sapisan. Tamba mulih lengoh isin ku ibu, anjing teh dicandak atina dipagarkeun ati mentjèk, disanggakeun [ 7 ]ka iboena, sina diolahkeoen sakoemaha biasa.

Sanggeoes kaolahan asak, brak taroeang. Barang iboena, keoer noeang ati tea, koe poetrana ditaros raos henteuna.

Saoer iboena: “poegoeh bae ngeunah mah, poelen naker“.

Saoer poetrana: “poelen meoereoen, henteoe meoereoen, da ati si Belang Wajoengjang“.

Iboena ngadangoe kasaoeran poetrana kitoe ngagebeg lain di kieoena, reg liren toeangna, geoewat laoek anoe keoer di toeang di oetahkeoen deoei, pameoenteoe reoej geoeneoek raj pias, bendoe ngagoedoeg-goedoeg, sarta teoe antaparah beletok bae mastaka poetrana di ketrok koe sindoek lebah emboen-emboenanana, datang ka boloboran getih. Bari saoerna: “Moen teoe njaho, kitoe-kitoe soteh eta teh bapa maneh“.

Raden Soewangrasa teoe rea saoer deoei na ngaraos wirang, teoe moenasabah ti anoe rea, boga bapa andjing leos bae angkat sakaparan-paran, magoenoengan mileoeweoengan. Damelna di oenggal noe sanget ngarereb, ngagajoeh para siloeman, njambat ka para dedemit. Njatjapkeoen ngadjak manah, nja mapaj pandita goegoeroe moepoeri elmoe adji sihir kalahiran.

Ari iboena barang geoes dikantoenkeoen koe poetra teh, ngaraos keoeeoeng pisan noenggelis di tengah leoeweoeng, si Wajoengjang geoes teoe aja, leos bae angkat ngadjoegdjoeg ka ki Adjar Goenoeng Padang, masrahkeoen salira sejana ngaleer tapak.

Lami ti lami djol ka Goenoeng Pandjang, hiji Djadjaka noe ngalalana, ret ningali noe lendjang oerang patapaan, oejoeg-oejoeg oeroej bae, heroj kabongroj koe kadenokan. Nja ngendek ngiring di pondok ngakoe rek djadi Tjatrik, ari enjana mah mana horeng aja noe di anjing cai.

Doepi Nji Sepirasa mah henteoe barang mirosea, tina katoengkoel koe goeroe, djoenoen kanoe keoer dimaksoed bororaah kana ngabereg ngabeberah manah. Tina geoes teoe kawawa, djadjaka teh waktja balaka ka Ki Pandita, jèn ma­neha aja harep ka istri pasantrèn tea.

Atoeh koe Ki Adjar ditepikeoen ka djinisna, sapaneda Ki djadjaka tea.

Nembe anjeoena Nji Sepirasa tetela roepana Ki Djadjaka, bloek nyoeoeh kana sampean Pandita, oenjoek oeninga jen eta njata poetrana anoe djenengan Soewangrasa tea.

Nanging anoe nangis koe pandita di­hoeit, tina oeninga pitemaheoenana lamoen ki Djadjaka ditaragal koe panghoelag. Sa­oer Pandita: ,,Enok, adjeoena mah oelah wa­ra roesoeh geroeh, tjitjing-tjitjing baè la­nan, sarta tampa heoela panglâmarna; ka­rana lamoen koe Enok dipapanan koe pa­njambat tjara ka anak, tangtoe kaben­doeng napsoena ngahoedang sipatna ka­siloemanan; keoen anteoer sakárepna, ngan Enok koedoe ménta tandjakan, anoe moal pikadadeoen koe Soewangrasa!”

Enggalna Nji Poetri toemoet dawoeh Ki Pandita, ka Djadjaka moendoet tandjakan kieoe: Hade daèk ditikah, tapi koedoe di­pangbendoengkeoen Tjisanggaroeng sing makplak djadi sagara, sakalian jeoeng Parahoena keoer lalayaran engkè dimana pangantênan, sarta soebaya ti anggalna jen sitoe katoet parahoe koedoe ánggeoes sapeoeting, oelah kakoeroeng koe tjaang.

Soewangrasa gidjak ngadangoe pamoen­doet anoe henteoe sapira, harita kènèh di­sanggoepan.

Reoep peoeting galantang, Soewangrasa mapatkeoen adji-sanak, pangondang para siloeman; sarta teoe lami bereyek siloeman toengkeb, breg ngagarap pisitoeeoen, ma­pas piparahoeeoen satjagapna satjagapna, nepi ka djanari gedè geoes rèk meh rengse.

Nji Poetri teoe ngeoenah tjitjing, ningali parahoe geoes ngabangoen, nangkoeb ngan kantoen malikkeoen, aja sakidoeleoen Tji­ledoeg, sitoe ngan kari ngabendoeng, palad­jangan palebah Manengteng, keoer men­detna geoes sadia batoe sagede nanahaon, anoe katelahna adjeoena diseboet Batoe ­loemboeng tea.

Enggal Sepirasa ngoemaha ka Sang Pandita, ngoendjoekkeoen sitoe djeoeng pa­rahoe geoes deoek meh anggeoes.

Dawoehan Sang Pandita: ,,Hih, oelah dipake hariwang, keoen oerang tarekahan. [ 8 ]kadieu baè menta papagan ki Laban!”

Papagan Ki laban dibeuweung ku Sang Pandita, sewur diburakeun ka tabèh We­tan, barabay cahaya kingkilaban tanda beurang tèrèh datang, siga udat sorot srangengè meletèk.

Atuh para siluman anu keur digara­rawé tèh curinghak reuwas ningal sinar caang, dina sangkana tètèla yèn kabeu­rangan.

Atuh teu rèa carita deui buriak baè malabur henteu nolih, kana hanca acan anggeus. Malah Radèn Sawangsara ogé tina ngaraos wirang lajeng baè lolos ma­joe ngètan tatapa di Temu-ireng distrik Comal (Tegal).

Nyi Putri Sepirasa tea lami ti harita jengkar ti patapan leuleuweungan ka­repna mah rèk nèangan putra sugan kapendak deui, panasaran ku ras tadi henteu kungsi pancakaki.

Teu kacarioskeun sabaraha taun lami­na, Sepirasa gok patepang sareng nu tas tatapa di Temu-ireng, nu lagas menda­kan duda, itu imut kuring seuri, horèng ari majang kalangkangan, nu pangling di­lawan lali, mulih sareng rêrèntètan.

Rangkep laki-rabina lubus mubus ne­pi ka puputra tilu: 1 Raden Lembu Manguntur, 2 Raden Lembu Peteng, 8 Raden Lembu Limunan.

Dina hiji mangsa Ki Temu-ireng mundut dipundayan, gêlèhè èbog kana pangkonan garwa, atuh prak ditindesan dipèpètan, rambut disuay disugri, ari brèh cèda keloh tapak sinduk.

Nyai Sepirasa ngarènjag, reg mèpèta­nana liren, bari neuteup ngawaskeun pa­meunteu anu eukeur dina pangkonan. Tètèla tea samar deui yén putra, tapi nya­capkeun kapanasaran, mariksakeun heula ka raka, asal-asalna pang aya cèda kitu dina mastaka.

Atuh galantang baé ku anu keur di­pundayan tèh didongèngkeun, Nyi Putri Sepirasa teu tahan, kocèak baè nangis, ngajerit maratan langit, mi­dangdam sasambat mundut hampura ka Déwa, bari ditungtungan saur: ,,­Ujang, bisi teu nyaho, nya ieu ibu maneh tèh, ibu eta anu ngetrok tèh baheula!”

Rakana hookeun teu sasaoeran.

Putri Sepirasa kojengkang bae nge­jat lajeng tatapa deui di curug Ciputri walungan Cipedes desa Bendo ayana di wates Bumi-Jawa jeung Bu­mi-Ayu (Tegal).

Tapi samèmêh ngantunkeun putra Nyi Putri miwulang heula, nya eta satu­run-turunanana kudu tumut kana papagon ieu :

  1. Lamun rèk kariyaan kudu neun­deun heula piring beunang ngawuran ku tipung atawa ku lebu, tuluy rurub ku boèh, engkè bakal aya tapak anjing dina eta pining.
  2. Lamun rèk ngawinkeun kudu neun­deun hulu munding atawa hulu sapi dina handapeun papayon, sarta kudu dikembangan dikukusan. Dimana bèsan datang, kudu Liru­sambut, hartina: bésan awèwè nga­leng bèsan lalaki, besan balaki ka besan awèwè, tuluy pakaleng-kaleng kana hulu munding tea, brek kudu tarapak deku nyalanghareup ka eta hulu munding tea, cong nya­rembah tujuh kali.
  3. Lamun kapapatènan, kudu nyieun bonéka dirupakeun anu maot tea, didangdanan ku papakèanana diteun­deun di enggon anu maot, beurang peuting disajagian sasajèn sangu lalawuhna cai asak hèrang, sang­geus 40 poe eta boneka kudu didu­ruk.

Saparantos Suwangrasa dikantun ku ibuna, anjeunna mah jeung putra anu tilu ngaralih ka dèsa Wanakalang, turun tumurun jadi urang dèsa Kalang­wètan jeung dèsa Kalang-Kulon ayana di distrik Comal (Tegal).

Urang dinya kawentar gareulis baba­kina kanasèp, ngan baretona mah nya ki­tu katurunan luluhurna teu boga karagab, nyokotna jodo tèh teu jeung pa­milih, kajeun indung kajeun dulur teu aya basa kumaha. Nanging saparan­tos kapanjingan agama mah robah, be­jana. [ 9 ]Tah kitoe sasakalana. Geura mangga bandingkeun sareng Sangkoeriang di oe­rang, kapan sapatotos naker, pada hal Bandoeng djeung Tjisanggaroeng sakitoe tebihna.


Panaloengtik kaajaan oerang Diawa djaman koena.


Kalemesanana boedi atawa kaadabanana (beschaving) oerang Djawa dina dja­man koena, béda pisan atawa lain-lainna deui djeung djelema-djelema anoe njari­tjingan poelo-poelo sédjén di ieu kapoelo­an; saksina anoe njata baé geura tétéla dina adegan-adegan patilasan, barang pakakas djeung paparabotan anoe ajeuna kapanggih oeroet baheula téa, nja kitoe deui tina boekoe-boekoe paririmbon-paririmbon (Litteratuur) anoe diarampihan kénéh koe oerang dieu. Oerang kapoeloan lian mah anoe ilahar diseboet oerang Loe­ar P. Djawa téa (kadjaba oerang Soematra djeung Bali, anoe loeangna réa sapa­godosna kadjembaranana djeung oerang Djawa), ngagemna élmoe kaindonésian téh ngan tepi ka mangsana bangsa Walanda daratang ka dieu. Ari moenggoeh di oerang Soematra, Djawa djeung Bali éta élmoe poesaka kaindonésian téh kalambon koe pangaroehna élmoe anoe lian, baba­koena pangaroeh Hindoe (Voor-Indië).

Tapi saméméh oerang naloengtik naon pangaroeh-pangaroehna panglambon téa, oerang merloekeun heula ngadadar boeng­keuleukanana élmoe poesaka indonésia sa­djati; anoe goemelar saméméh karoeng­roengan oerang Hindoe.

Karéréanana djelema baroga pangira, jén priboemi oerang Hindia (indonési) téh, padjar pitoein asal bibit-boeit oerang dieu; tapi anoe saenjana éta téh lepat, sanés kitoe satemen-temenna mah. Anoe ajeuna disareboet oerang Indonési atawa anoe ngangken djadi oerang Hindia téh, ari saenjana mah asal boeniaga, djelema anoe ngaloembara ti Hindoe-toekang (Achter-Indië) nja éta ti Annam, Kam­bodja, Cochin China. Éta djelema-djelema ti tempat-tempat anoe diseboet bieu téa pada loenta atawa mentjar ti nagarana, ingkah ka tempat lian, paboerentjaj ka oenggal poelo Indonési sarta réa anoe ngarendek boeboeara di dieu deui, bebe­nah geusanna soeka betah, toeg tepi ka kiwari. Tangtoe pisan aja ari anoe djadi marga lantaranana mah, pang maranéhanana ingkah mentjar ti nagarana téh, tapi iraha éta téh waktoena, moen taoen, taoen sabaraha, moen windoe windoe mana da­ratangna ka dieu téh; tah éta teu atjan aja anoe netepkeun.

Noemoetkeun pamendakna Prof. Kern, hidji boedjangga anoe geus kawen­tar kaloehoenganana, ahli ngoelik ahli na­loengtik kaajaan Djawa djaman koena, koe lantaran koe andjeunna geus di banding-bandingkeun basana dje­lema-djelema di kapoeloan Hindia (Indonési) djeung basana oerang Hindoe-­Toekang (Achter-Jndië) téa, iasa ébréh njata kaoeninga, jén oerang dieu téh (oe­rang Indonési) lemah-tjaina asal mah nja geus moal gagal ti Hindoe-Toekang téa.

Nja kitoe deui koe andjeunna geus kaoe­ninga, kapapaj raratanana nilik tina ke­tjap-ketjap anoe aja dina dadasar basana oerang Indonésia téa, tangtos oerang dieu téa, geus ti djaman koenana moela, dja­man keur aja kénéh di lemah-tjaina asal téa, geus barisa kana padikana djeung ngokolakeunana beusi, sarta njata djadi djalma saba laoet tabah kana lalajaran. Malah roepaning pepelakan, kajaning: tiwoe, tjaoe, kalapa, awi, djeung paré, éta lain loma anjar-anjar djeung oerang dieu téh, tapi geus djadi banda ti alam koena ti alam oerang Indonési hiroep koemboeh kénéh baheula di lemah-tjaina téa (di Hin­doe-Poengkoer). Doepi patokan tjoektjroekanana Prof. Kern tina poko ieu:

Oempama aja hidji perkana atawa naon baé anoe aja dina basa digambar koe ketjap, anoe sadjangkar ajana dina sagala roepa basa Hindia (Maleis-Polijnesiese talen), koe oerang prak diroetjat, noeroet­keun oegeran robahanana engang djeung aksara, dina éta basa-basa téa, engké tangtoe kaoeninga, jén éta ketjap-ketjap téh, lain titiron beunang toetoeroeti ti [ 10 ]tatanggana téa, tapi pada éstoe anoena saroea sadjangkar saréréa, geus aja sarta djadi bangsana dina alam hiroep koemboeh di lemah tjaina téa; sarta éta djadi tanda jén maranéhanana harita geus njaho kana naon-naon anoe aja ketjapna téa, boh perkara, boh sato, boh tatangkalan atawa pakakas-pakakas noe lian, da moal aja basana, moen teu aja woedjoed atawa atjan kanjarahoan barangna mah.

Tah ningal ka dinja oerang bisa terang jén bangsa Indonési téh, waktosna ngamimitian ngaloembara rék boeboeara didieu, geus pada baroga kaadaban (beschaving) bawa ti balina geusan ngadjadi téa. Sanggeusna batjatjar didieu, aja anoe njaliara di Soematra, aja anoe di Djawa, aja anoe di Borneo, Selebes dj. s. t. éta kaadabanana (beschavingna) téa toemoewoehna henteu rampag, henteu saroea madjoena, aja anoe djembar tambah loehoeng, aja anoe keri mérékététét, noemoetkeun koemaha kaajaanana di hidji-hidji poelo téa, nepi ka ahirna oerang poelo ieu leuwih palinter leuwih pangabisana batan oerang poelo lian. Pisaksieun kana katrangan anoe bieu, kawasna bisa ditétélakeun koe hal oerang Hindoe waktoe daratang ka dieu. Oerang Hindoe téh di dieuna ngaroeroek di tempat anoe kapilih kaadabanana mingper-mingper kana kaadaban Hindoe, lain sagawajah darapon tjlé milihna geusan ngantjik téh, da ari di nagara anoe teu mantra-manta ka maranehanana mah kawasna soengkan lana misanakna ka priboemi téh.

Ka-beh-dieunakeun bisa kataloengtik bisa katjroektjroek deui pangna kaadaban Hindoe gampang nerekabna, babari njerepna sarta katadah bisa kawadahan koe waroegana oerang Soematra Djawa djeung Bali téh, nja éta pédah oerang dinja geus kasampak djalembar kabisana, geus moeka akalna ti babaheula.

Lian ti éta geus kapapaj deui, jén oerang dieu téh geus ti djaman koena kénéh tararabah kana njoesoek, ketjap-ketjapna pikeun kana atoeran irrigatie-sijsteem (irigasi), geus baroga geus aja ano toelén basana pribadi. Éta djadi tanda jén oerang Djawa mah njahona sarta tabahna kana njawah lain ti Hindoe, tapi geus béh ditoeeun alam Hindoe kénéh. Dina basa Indonési kapendak ketjap-ketjap ngaran roepa-roepa kapangkatan pagawé nagara baheula, anoe kapapantjénan gawé toedoeh tjangkingna hidji-hidji prijaji: éta djadi tanda, jén harita geus bisa ngaheujeuk dayeuh tararabah kana atoeran pamaréntahan nagara. Harita geus aja kota djeung nagara anoe aloes atoeranana (goed geordende staat).

Anoe mimiti karoengroengan Hindoe, nja tanah Djawa beulah Koelon. Di wewengkon Bogor di pagoenoenganana, ajeuna kapendak batoe-batoe patilasan baheula, anoe aja toelisanana aksara Pallawa, nja éta aksara Hindoe-Pajoen baheula (Oud Voor-Indies schrit), malah basana ogé nja basa pamaréntahan oerang dinja deui, nja éta basa Sanskrit téa.

Tapi ari tétéla mah katrangan anoe aja dina toelisan éta batoe toelis téh, henteu deui. Anoe koe oerang kapendak didinja, njarioskeun: Aja radja anoe kawasa djenenganana Poernawarman, njepeng karadjaan Taroema (Waloengan anoe ngocor di éta karadjaan, tepi ka ayeuna tetep ngaranna Tjitaroem). Dina salah sawios toelisan baheula téa, kaoengel jén Kangdjeng Radja (Poernawarman téa) nimbalan njoesoek ngadamel irigasi; ieu djadi saksi jén oerang Hindoe di dieuna sanés ngadon sindang geusan saheulaanan baé, tapi boeboeara ngaloembarana téh matoeh bebetah ngagoear tanah.

Batoe-batoe anoe aja toelisan téa kapendakna sadajana tebih ti basisir di tatar darat pagoenoengan; éta oge djadi tawis jén sémah téh karep kana ngageugeuh.

Tapi koemaha oerang bisana nangenan jén éta batoe-batoe téh anoe pangkoenana di antara anoe aja di P. Djawa, da sadajana ogé teu aja titi-mangsana anoe koe oerang beunang ditjekel? Ari anoe djadi katrangan kana oemoerna éta toelisan dina batoe-batoe taja lian ngan aksarana téa baé woengkoel, aksara Pallawa téa.

Éta aksara dianggona di Hindoe-Pajoen beulah Kidoel djeung beulah Wétan. Oepami prak ajeuna oerang dibanding[ 11 ]banding aksara Djawa Koelon sareng aksara anoe di Hindoe-Pajoen téa, engké tangtoe kaoeninga tina bangoenna jén batoe-toelis anoe di Bogor téh aksarana dianggo di Hindoe-Pajoen dina windoe kaopat sareng kalima, da liwat windoe éta mah bangoen aksarana téh geus robah. Djadi nilik tina aksara, oerang bisa mastikeun, jén oerang Hindoe daratangna ka Djawa Koelon, handjatna mapaj waloengan-waloengan madjoe ka girang toeloey boeboeara ngaradon matoeh téh, dina windoe kaopat atawa windoe kalima téa. Sarta oerang bisa ngira jén maranéhanana asal ti Hindoe beulah Kidoel-Wetan.

Waktoe anoe ditjarioskeun bieu téa, diteroesan koe katrangan dina tjatetan hidji oerang nagara Tjina anoe Djenengan Fa Hien, moelih ti Hindoe mentas djarah ngadjadjah karamat-karamat Boeda, anoe moelihna ngaliwat heula ka Se , sarta katambias kapaksa sindang heula ka Djawa-Koelon, lantaran kapalna kataradjang toenggara, dina taoen 414.

Koe Fa hien ditjarioskeun jén oerang Djawa-Koelon téh réa anoe agama Barahma djeung réa anoe teu atjan boga agama, njembah ka kajoe ka watoe (heidenen), tapi teu aja anoe agama Boeda.

Njandak katrangan ti dinja, jeung ti jana batoe-batoe téa, tétéla jén di dieu harita geus aja oerang Hindoe anoe ngajarkeun kabarahmanaan).

Saoempama katrangan Fa Hien koe oerang ditjekel, nja éta tjarita di dieu geus katjampoeran Hindoe, djadi njata jén oerang Hindoe mimitina pisan daratangna ka dieu, téh geus aja windoena béh ditoeeun éta, sabab moal bisa dadak-dadakan ari roepa kaadaban (beschaving) mah, njorokna. Tapi ari pasti mah ieu téh, henteu.

Kadjabi ti toelisan-toelisan, di Djawa Koelon mah teu aja deui patilasan-patilasan Hindoe anoe sanés.

Dina antawis doea tiloe windoe ti harita (ti ngadegna mangsa toelisan téa), teu aja deui tawisna anoe djadi patilasan noe kapendak.

Ajeuna oepama oerang ngotéktak kaajaan windoe ka toedjoeh, nja éta anoe mimiti deui aja katrangan-katrangan dina toelisan-toelisan djeung dina tjarita oetoesan ti Djawa ka nagara Tjina, engké katingali jén kadjembaran téh geus pindah ka Djawa-tengah, sarta teu sabaraha lamina geus ngarégrég deui ka Djawa-wétan, ari Djawa-koelon mah djep baé djempé teu aja deui tjaritana.

Naon éta téh margina? Naha karadjaan djeung kadjembaran Djawa-koelon téh koebra toeloej toempoer baé, atanapi naha daratang deui Hindoe anjar ti nagarana, mararag ngaradon njorok deui ka Djawa-tengah, atawa soegan aja lantaran anoe sanés?

Katrangan anoe pasti, teu aja ngan kaoeninga tilas toemoewoehna élmoe kahindoean di Djawa-tengah langkoeng nerekab langkoeng djembar manan di Djawa-koelon, djeung bisa katangen jén dina windoe ka toedjoeh téa, ngabroel deui boeboehan Hindoe noe anjar ti nagarana.

Toelisan baheula noe pangkolotna di Djawa-tengah mah kapendak ti Tjanggal di Kedoe, titi-mangsana taoen 723 (═ 654 Caka), aksarana tjara aksara Batoe-toelis Bogor nja éta aksara Pallawa téa, ditatah dina batoe. Didinja kaoengel jén lemah tjaina noe kagoengan damel di Koendjarakoendja, nja éta hidji nagara di Hindoe-Pajoen beulah kidoel. Djadi dina batoe-toelis anoe kapendak di Djawa-tengah ogé kaoenggel jén oerang Hindoe anoe kawasa di oerang téh, asal ti Hindoe-Pajoen beulah kidoel téa.

Ari éta oerang Hindoe pang nepi ka bisa ngageugeuh di dieu, djalanna taja lian ngan tina asal dagang babakoena, nja tjara asoepna oerang Islam baé.

Moal boa ari mimitina mah oerang Hindoe djeung pitoein priboemi téh gétréng mindeng taroeng patjéngkadan, tapi biasa noe anjar sok ngabajahkeun, lila-lila njosok djero djati kasilih koe djoenti, priboemi kalindih koe kahindoean. Anoe djadi babakoe lantaranana, pang kahindoean djeung kadjawaan gampang dalitna djadi panglambon, nja éta koe djalan kawin, oerang Hindoe njorok (kawin) djeung awéwé priboemi.

Lain ngan di Djawa bae oerang Hindoe [ 12 ]teh harita maratuh ngaradon ngumbarana, tapi di Borneo di Malaka di Annam (harita Annam teh disebutna Cempa) deui, sarta kapanggih patilasanana batu tulis cara di Bogor.

Numutkeun katerangan-katerangan ti bangsa Cina, nyata yèn urang Sumatra sareng urang Bali oge turunan lambo­nan Hindu, sarta raja-raja di dinya harita jenenganana kudu baè ditung­tungan ku warman, nyaeta kecap anu sok dipaké bagian ngaran, anu sok ka­pendak dina jenengan para raja di beu­lah Kidoel Hindu-Payun tea.

Jadi ku urang kauninga yen dina windu ka opat kacida nerekabna bangsa Hindu tèh.

Nanging nyaeta sakumaha anu pa­rantos dicarioskeun di luhur, tumu­wuhna eta èlmu Hindu henteu rata, ten sauea rampagna jadina di anu nampi; sapertos di Borneo, jabi ti dua tilu batu-tulis aksara Pallawa sareng dua tilu arca mah, teu aya deui sèsana kahin­duanana. Kawasna lantaran teu diparindo dijaroragna deui ku Hindu anu pan­deuri, an nu heubeul kasilep rnantèn ku pituin pusaka asal, sarta teu aja bahan geusan ngajembarkeun nambahan kaada­banana, anu nungtun kana kamajuan.

Sakitu bacacarna sakitu nerekebna bangsa Hindu tèh, tapi walatra mah pribumi tèh kabèh meunang di-Hindu­keun, nya hentcu. Buktina, dalah di Ja­wa pisan, henteu sakuliahna jadi Jawa.­Hindu, tawisna rèa kènèh tilas brahala (wongwongan) sesembahan pituin Jawa asli (polijnesiese beelden), paesan-pa­èsan batu numpuk (de hunnebed-ach­tige graven), guha-guha sareng seueur deui, cangkaruk anu teu kahin­dukeun, agama adat baheula pisan tea.

Dina barhala atawa wongwongan se­sembahan pituin tea, aya anu make titi­mangsa, sails tètèla ningal taunna, yen alam geus lila aya Hindu ogè, masih kè­neh baè nyarieunan wongwongan sesem­bahan tumut agama memeh Hindu tea.

Malah titi-mangsa dina wongwongan agarna kuna tea, aja anu ku angka­kawi (angka anu asal ti Hindu tea), tètèla anu nyieunna geus kalambon ku kahinduan.

Jadi najan di dieu geus alam Hindu, anu nyekel kapituinan pribumi mah, nyä rea bae, komo deui di gunung-gu­nung paminggir jeung pasisian mah parageuh bae kana cecekelan asal teh, da teu kahontal ku semah tea.

Kapan salami na oge anu pangheulana keuna. ku pangaruh semah teh urang basisir di tempat anu kajojo rame da­gangna.

Tah kitu bae ngahanca ti basisir heu­la kahinduan teh asupna ka Jawa, atuh karaban (kaislaman) anu ahirna bisa ngalindih kahinduan tea, dina wiwitan windu ka 15, nya sarni bae jalanna mah, pada ti basisir heula maju nengah.

Engke ti pengker bans diladengkeun deui kumaha behna panalungtikan kaayaanana kaadaban (beschaving) Hindu campuran Jawa asli teh, sakur anu Parantos kapendak tina paririmbon-pari­rimbon tina koropak-koropak sareng pati­lasan-patilasan atanapi tina arca jeting candi. Untung pisan eta anu kitu araya kenéh, nepi ka beunang dianggo pakakas geusan pangbabar sajarah alam Jawa-Hindu, kumaha kaayaan baheula pribumi Jawa dina lebet 8 windu.

Yaktos ari rea keneh tea mah salayana pamendak para bujangga kana pamuka kana kaayaan baheula anu sarulit, sareng aya keneh jaman-jaman nu poek atawa meh samar keneh, teu acan kasasar kateranganana, tapi ari wincikan galur anu jadi lulugu mah kumaha kajembaranana pusakelmu(Kultur) alam Jawa-Hindu (anu sok disebut alam Buda tea), nya geus aja bahana teu matak pugag, beunang dipedar.

Hantja

Dr. M. Muuuea (?)

[ 13 ]

Toemaros.

Tumaros ka sadaya para juragan anu nembé dideuheusan ku ieu Pusaka Sunda, naha parantos diaos piunjuk anu kaungel dina jilidna ieu P. S. kumaha kinten-kinterina?

Dina nyolèdatna tea, mugi enggal diwangsulkeun deui ka Salemba Weltevreden.

Upami teu diwangsulkeun, baris ladjeng diangken ngalanggan, ipekahna f 3. satahun, kedah dikintunkeun ayeuna-ayeuna. Nya kitu deui ka sadaya langganan lami, supados enggal maparin pangbayuna sakumaha biasa tea.


Ngajajah tanah Pasundan.

Urang tèh jarah ka Pamijahan pa­rantos, mangga ayeuna mah memeh ka Godog urang angkat heula ka Kandang­haur Dramayu, geura seueur naker anu aneh-aneh, sugan hoyong ningali adat pratingkahna urang dinya.

Mangga. Bade dijejeran deui ku Juragan A, Soewardi, sapertos ka Su­ka urip tea?

Hih sanes! hanjakal Juragan A.Soewandi mah keur rèpot, seueur damel kawasna?

Kumaha tebih ti pakemitan Kandanghaur ka anu bade ditingali tèh?

Di Pakemitan pisan; urang ningali­keun ti Kawadanaan baè, da di alun-alun tingalieunana oge

Tah ieu pakemitan teh desana opat. A­tuh ieu kawadanaan dèsa Bulak, beulah Kalér dèsa Pangganitan beulah Wetan dè­sa Ilir, beulah Kulon desa Girang. Geura tuh tingali jelema-jelema tèh kabaheu­laan keneh papakèanana atuh nya samping tinun baju tinun baè, awèwèna baju salontreng tinun anu siga toro tea, nanging ari anu teu acan boga salaki mah, barudak parawan, teu ara dibaju salamina ogè, kitu bae buligir, su­su ka mana mendi, teu èraeun teu kua teu kieu. Ari itu anu ngagunduk dina sabuk awéwé, eta tèh cepuk leutik. Sa­dajana eta teh marawa cepuk diselap keun dina beubernna, kolot budak tara tinggal, eusina lepit dua tilu, bekelna. Ari ngaromongna Sunda, tapi teu aja le­mes-lemesna, ceuk urang mah cohag, ka ieu ka ieu ogè basa kasar bae, ka anu jadi Wadana nya ngaing, kami baè, ari nyebutnä wa atawa ua minangka hormat­na; ka Camat: wa Siten; ari ka Wadana, ayeuna mah geus nurutan sèmah nyebut ,,bendara”, tapi ditambahan kenéh baè ku ua tea, ua bendara. atawa bendara bapa. Kecap-kecapna rêa anu bènten sareng basa Sunda di tempat sanès, sapertos: tin = endog, ka iceu= ka dinya, kotok = hajam, beuteung ngeusi = mentas da­har. sèwet = samping, lisung = lisung, si enang = budak lalaki, si eneng = nyai (ka budak awèwè), sareng seueur-­seueur deui.

Engkè wengi urang ningali janingan.

Ti awit ping 7 dongkap ka ping 17 ung­gal sasih, nyaeta dina mangsana keur caang bulan, sadaya parawan sareng ja­jaka tungkeb ka alun-alun, tabuh 9 teh parantos noyek sabaturna-sabaturna, pating rariung sagunduk-sagunduk, aya anu aleut-aleutan baè, awèwè pada awe­we lalaki pada lalaki riunganana, sarukan-sukan ararotél sempal guyon, parawan jeung jajaka tea, silih tepak silih to­el, silih ciwit silih jembèl, silih ke­njang silih udag, rupa-rupa tingkat pamolahna teh. Kinten-kinten tabuh 11 wengi, buriak baè budal baralik ka sai.mah-imahna, teu aja anu tinggal sapo­tong-potong acan.

Atuh peuting isukna der deui baè ca­ra tadi, eta mah dongkap ka ping 17 tea, teu aya pisan towongna name baè najan teu aya tatanggapan ogè. Ari eta da­tangna kana jaringan teh dititah ku ko­lot, dikudukeun malah, teu nyaho usum caah teu nyaho naon, dibèlaan papara­huan, bawaning ku merlukeun, karepna lain lalajo da teu aya tatanggapan teu aya nanaon, nyaeta nèangan pijodoeun. [ 14 ] Barudak awèwè tèh ti mentés susu umur 11 atawa 12 taun, geus dikudu­keun ku indung bapana milu jaringan, dina unggal peutingan caang bulan tea, nepi ka pinanggih jodona. Lamun acan meunang mah tea aya lirènna terus baè.

Tapi da teu matak ngarugikeun ka ko­lotna, lantaran daratangna kana jaringan tèh, henteu ara disalin-salin acan, ieu mah sahinasna baè, papakèan atuh urut tadi ti beurangna tea, tan ngadadak mulas manèh, pakepuk nèmbok keur wedak, èstu sacerèwèlèna pisan, sanès cara u­sum ngaben kuda di Bandung, rea nu alus ku pulas. Lamun aya anu make datangna, tara aya anu mirosèa, tara di­dareukeutan, malah diparojok: „Bau Jawa”, cenah.

Eta barudak parawan peuting-peuting ngencar ti imah, diumbar campur jeung pihamaeunana, tea pikarempaneun tea pisan matak salempang teu aya pika­hariwangeunana mungguh urang dinya mah, nya eta tina pageuh nyekelna kaper­cayaan, yen jajaka teu meunang gana­-gana ngarinah milampah salah; lamun aja anu wani ngarempak larangan, nincak jalan karucahan, tan wandè keuna supata, kabèh pada anteb percayana, yen balukarna lampah salah tea, sok duma­dak parawanna jadi bagong, atawa ki jajaka jadi ngeukeupan paèsan. Hate anu jadi kolot, percaya henteu aya cangcayana, da maranèhna pribadi ba­heula geus ngalaman henteu ngarem­pak cegahan tea. Hariwang soteh horeng urang mah pedah nyaho yen aing oge geus serong.

Para jajaka anu daratang ka dinya teh anu niat neangan pijodoeun bae, sarta anu geus boga untupan geusan maradahna.

Sajeroning otel bari silih toel silih jembel tea, anu lalaki tea weleh ngileng mana anu pisurupeun kana lelembuta­nana, atuh awewe nya kitu keneh. Ngeun­teupkeunana pamilih teu gurung-gu­suh, mimitina mah anggeus ku kantanan didokankeun baè, ngan lamun geus lila, geus asak paningalna, kakara dijaring, hartina: dieurad si awewe teh ku karembong.­ Barang kerewéd kek bae dicekel Lamun Nyi Parawan tea ngagurinjal, teu leupas ku pangrungkup tea, eta tanda purun, tapi lamun jajaka sa­lah ijrahan, nyi lanjang boga tingal ka nu lian, nya geuwat dikepeskeun deui.

Upama ngarungkupna kabiruyungan ku nyi parawan, nya sok ditanya heula ku lalaki purun henteuna. Tem­bal awewe: „Ngaing mah kumaha bapa bae” Nyi parawan engke balikna dian­teurkeun ku jajaka tea, sarta ari da­tang ka imah pimitohaeun, atuh nyi lanjang mah bus baè ka imah, semah mah ditemonan ku kolotna.

Ku indung bapa awèwe anu boga ka­rep teh ditalek heula, pisanggupeun hen­teuna maradah rabi. Biasana ditanya: Geus boga sawah sabaraha bahu, boga jukung sabaraha, boga duit sabaraha.

Sanggeus asak subaya harita geus jadi benè-beureuhna (papacangan), isukna kolot awewe buru-buru ngadangdanan lisung, dikarembongan dikembangan di­rampean, minangka tanda geus aja nu nyangcang mancuh anakna, ngabejaan ka tatangga-tatanggana.

Nyi parawan angger bae ari peuting mah milu jaringan, ngan ajeuna mah otelna sempal guyonna, sihih udag sihih peupeuhna teh ngan jeung papacanga­nana tea bae. Lamina papacangan kitu, aya anu dongkap ka sataun tampolana mah, aya deui anu lima genep sasih, Sa­jero papacangan, lalakina kukumpul piwaragadeun nikah.

Prak-prakanana nikah.

Babakuna usum nikahkeun dina sa­sih Sawal, Hapit, Rayagung, aja oge anu dina Muharam. Unggal anu kawin ku­du bae make iring-iringan diarak di pa­kemitan; wiwirang tea aja hinggana La­mun kawinan henteu make iring-iringan teh. Upami panganten lalakina geus ko­lot, ngarasa era, nya kudu wakil, da nga­rak mah kudu, nja eta ngadangdanan jajaka sejen sabiasa panganten, tu­luy direndengkeun deung panganten awewe, breng diarak.

Nikah dirapalanana di masigit. Pangan­ten hahaki didangdanan: Baju bongkek [ 15 ]hideung anoe didjepit koe pasmen, samping songkêt soetra, dikoeloek, make keris doea anoe hidji disorèn, anoe hidji deui disorèndang, saloeareun badjoe hideung tea make badjoe taratê, dikongkorong dinar, make disalindang tjarètjèt beureum anoe digagantelan koe 2 tjepoek wadah lepit tea, disampajkeun kana taktakna beungeutna konèng koe atal. Djoeng ka masigit dipajoengan sérét.

Tapi eta pangantèn têh lain pangheulana mah anoe djadi wali, dipajoengan didangdanan deui Ari dangdanana anèh, sirahna dipapaesan koe majang djambè, daoen poering djeung kembang wera, lamoen pangantèn awèwé parawan.

Balik ti masdjid pangantén lalaki dipapag koe pangantên awèwe, geuwat indoeng soekoe lalaki digesek koe karèmbong awewe, ari sabot kitoe lalaki njaboet boeoek awèwè salambar.

Panganten awèwe ogé beunang ngadangdanan, make siger, make rembjong-rembjong moeté djeung gedah, samping songkét, badjoe renda bodas, kilat bahoe, kongkorong djeung kangkaloeng.

Brak hadjat ngarioeng tapi koedoe bae ngaheulakeun dahar angeun samakbroek, anoe diangeunn taleus, ditjampoer moeroetjoe (tjaoe manggala ngora) make laoek tjai saeutik. Iieu têh teu meunang euweuh, djadi poko anoe djadi toembal.

Soréna koedoe diarak tea. Papakean pa- nganten lalaki diganti Dibadjoe kaos make kilat bahoe, make koeloek, ditjalana hideung djepit pasmén, ditaroempak. Ari awewewe mah tjara tadi bae.

Gék direndengkeun djeung panganten awéwé dina bendi atawa kareta sewa, bring iring-iringan. Satoekangeun bendi pangantèn, diiring koe ,,kasinoman” diseboetna, nja eta awewe-awewe landjang djeung randa aja lawena, tampoIana leuwih beunang maridang, sirahna pinoeh koe kembang, pinoeh anoe tepi ka njamboeang tea, digeloeng malang kabèh, sarta marake karembong, parawan ogé ajeuna mah dibaradjoe,

Kasinoman tea dihapit koe bandera, ditema koe gotongan pelog, ajeuh-ajeuhan ngoeriling ka aloen-aloen, koedoe bae njimpang heula ka kawadanan, “ngembang” tjenah.

Tapi lamoen anoe kawin tea toeroenan atawa baraja koewoe Boelak djeung Koewoe Ilir, aja tambahna diseboetna : ,,ngembang poleng”.

Nja eta dina diarakna panganten koedoe marake samping poleng. Panganten awewe make apok, dibeubeur soesoe koe soetra tjinde, geloeng njambung koe kembang.

Anoe djadi kasinoman kabeh koedoe disamping poleng deui, mimiti Nji Koewoe ditema koe pamadjikan parentah desa sedjen teroes ngataj tjara noe oraj-orajan lain ngabroel tjara kasinoman biasa, aja kana opat lima puluhna awewe beunang maridang sataker tanaga, saaja aja dipake, nini nini oge digeulang dikongkorongpoegoeh deui ari ali mah reuntjeum, teu aja ketjap beberendjen di dinja mah, kabeh ditioeng koe karembong anoe sapotong disalindangkeun. Sapandeurieun awewe ditema koe lalaki, nja eta pangheulana Koewoe noengtoeroen tjara atoeran awewe tea ngantaj deui, ngan badjuna mah ieu diatoer.

Djeung koedoe bae make roepa-roepa boeboeronan oentjalan, koekoedaan, moemoendingan gaganti djampana keur ngagotang boedak soenat, aja gotongan djampana anoe eusina toempeng djeung doewegan.

Bebegig djeung badawang tara tinggal. Sarta saheulaeun iringan tea koedoe make lawe rontek.

Ngarakna ngoerilingan aloen-aloen, sanggeus meunang tilu koeriling sindang ka kawadanan ngadon narongton topeng beunang ngahadja teundeun maranehanana, lain tanggap noe djadi wadana. Engke dimana geus reureuh breng ngarak deui ngoerilingan aloen-aloen opat koebengan deui, da koedoe djedjeg toedjoeh koeriling.

Ti dinja mah toeloej maroelang bae.

Ari ngandangna ka baraya-barajana atanapi ka kawawahoen-kawawoehanana ana rek kariaan teh, sanes koe serat tjara di oerang, tapi tjara balangan di Banten mah kenging [ 16 ]koe naon baè, aja koe tjarètjèt aja koe soeroetoe, doepi di Kandang-haoer toekoeh kedah koe dodol sakeureut. Saha-saha anoe nampi dodol, eta tawis diondang, oerang kedah njamboengan.


Baheula.

Oerang njorèang ka toekang, njaba ka alam baheula, mapaj raratan sadjarah djeung babad pamanggih oerang Portegis. Teu ara aja sotèh anoe ngandjang ka pagéto, ari anoe mapaj lampah anoe geus kasorang mah biasa, nadjan di Soenda thu rèa ringkoekna ogè bedja warisan karoehoen, an djalan mah kapan teu tepi ka matak loepoet. Kaajaan tanah Soenda alam baheula, djaman ngadeg karadjaan sorangan, tjanitaanana oerang bisa moepoeri ti oerang Portegis tea.

Kieu kinten-kinten oengelna:

Dina sangka oerang Portegis baheula mah, Soenda djeung Djawa tèh rnisah poelo. Poelo Soenda Ieuwih loba goenoengna tinimbang Djawa. Dina taoen 1511 oerang Portegis geus loma djeung Sang Hijang Radja Soenda, lalangganan dagang hasil boemi. Palaboehanana tanah Soenda tèh aja genep, nja eta: 1. Chiamo (meureun pikarepeunana mah Tjimanoek), 2. Xacatra atawa Caravam (meureun Kalapa maksoedna) 3. Tangaram (Tangerang), 4. Chequide (moal boa Tjikande maksoedna), 5. Pondang (Pontang), 6. Bantam. Nagarana diseboetna Daio (Maroekan ketjap Dajeuh tèh ngaran nagara), rada di djaoeh ti laoet. Waktoe toean Henrique Leme datang ka Dajeuh, eta nagara harita tjatjah djiwana, tjeuk anoe terang, aja 50 rèboe djelema, sarta boga djiwa anoe djadi perdjoerit rèana 100 reboe (honderd duizend man krjjgsvolk), Ngoeranganana perdjoerit djeung djiwana koe lantaran peranig djeiing oerang Arab (Islam).

Tanah Soenda èstoe moerah sandang moerah pangan, soegema hiroepna ngeunah. Djelemana lain anoe telenges kasengsrem koe hajang perang, tapi sadrah soemerah kana kawasana Dewa, soemoedjoed ka sesembahanana, miboga, tjandi djeung artja. Oerang Soenda njatroe ngamoesoeh ka bangsa Arab, soemawonna sanggeus kapaksa koedoe taloek ka Pangue de Pate de Dama (Kawasna baè mak­soedna rèk njeboet Sang Adi Pati Demak) mah. Harita ilahar kènèh dagang (djoeal meuli djelema, malah dina oendang-oendangna diwenangkeun bapa ngadjoeal anak. Awèwèna oerang Soenda tèh gareulis, komo bangsa istni-istni toeroenan mènakna mah, eukeur gareulis tèh toeroeg-toeroeg djeung balersèkan deui. Ha-rita di dajeuh Soenda geus aja Biara (Kloosters voor vrouwen). Nja eta minangka pondok pasantren anoe ngawoengkoel pikeun awèwè anoe soemoedjoed kana agama. Di Biara teh katingalna dipakè ngome kageulisan deui, djeung ongkoh djadi kahormatan, lain woengkoel toemoet kana papagon agama baè. Poetra-poetra. mènak anoe istri, lamoen henteu kersa ditikahkeun, nja lebet ka Biara tea deui. Oempama aja istri anoe ditilar poepoes koe tjarogè, rea anoe bela pati miloe sareng poepoes na rakana, eta djadi kahormatan gedè pisan, Anoe gimir koe pati, oepama ditinggal koe tjaroge tèh, tinimbang rarandaan di loear mah, nja lalebet ka Biara tea.

Lalakina raresep kana ngome djeung marakè pakarang anoe araloes, djadi kagindingan, djadi kamegahan.

Dina taoen 1522 Coepernoer Malaka, toean Jorge d’Alhoquenque geus ngoetoes toean Henrique Leme njanggakeun pangbakti roepi-roepi barang ka Radja Soenda, anoe djenengan Samiam (an maroekanna Sang Hijang teh djenengan, meureun).


Aja samboenganana


[ 17 ]