Poesaka Soenda 1923-03-1(09)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1923-03-1(09)  (1923) 

[ 129 ]

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 9


1. Tjarita Waroega goeroe katja 129
2. Paririmbon (Alamatna impian) " 136
3. Sawer Si Roentjang koendang " 140
4. Oenak-anik basa Soenda IV " 141
5. Pihatoer Redaksi " 142


Tjarita Waroega goeroe.


Sakoemaha anoe parantos ditjarioskeun dina P.S.N: 6 jen Babad mah radjeun soelaja, kawasna anoe aja dongkap ka lebah oerang teh koemaha tjeuk pahamna para boedjangga baheula bae, mangkaning boedjangga baheula teh sanes saoerang doeaan, anoe pada-pada teu sabiloeloengan dina noeroenkeun raratanana teh.

Geura oepami koe oerang dihaben ditalek hidji-hidjina poko tjarita, engke kaoeninga soelajana; kantenan nadjan teu sakaroepa oge ari moebah mah moal, tangtos rea poeloenganeunana, sapertos babad Galoeh, tjarita Tjioeng Wanara, Waroega goeroe, sareng sadjabi ti eta.

Soepados aja geusan ngabandingkeun ieu di handap diserat Tjarita Waroega goeroe, kenging noeroen tina panglajang Bat. Gen. van K. en W, nja eta anoe asalna tina hidji kitab aksara Soenda baheula, anoe kapendak ti kaboejoetan Kawali (Tjiamis).

Njakitoe deui engke saparantos ieu, baris ditema koe babad Galoeh, njandak poko, sasoengapan sareng Waroega goeroe.

Soepados kaoeninga ti anggalna, ieu tjarios [ 130 ]basana edjahanana, satjeplekna tina anoe ditoeroen tea bae.

Tjarita Waroega goeroe.


Katja 1.

Ini tjarita Woeroega goeroe, eta noe njakrawati. Noe poek angngen toeloes, da koedjaba di noe bodo, noe tarraboeka prajaji sakarep kasorang tineung meunang goeroe.

Ratoe poessaka di djagat paramodita, eta, ka’njahokeun ratoe Galoeh, keur bidjil ti alam gaib; nja nabi Adam ti heula.

Ratoe Galoeh dienggonkeun ti langngit masoehoer, toeroen ka langit djambaloelah, toeroen ka langngit moetijara, toeroen ka langngit poerasani, toeroen ka langngit inten, toeroen ka langngit kantjana, toeroen ka langngit poetih, toeroen ka langngit ireng, toeroen ka langngit doenja.

Dja kalangngan, tata lawas toeroen ka goenoeng Djabalkap. Oepami: Ratoe Ga-


Katja 2.


loeh dienggonkeun sasaka alam doenja, nabi Adam ti heula, pinarekking goenoeng Mesir.

Adam diseuweu opat poeloeh, dwa noe sakembarran, moenidjah loeloehoer hadji dewi; tjikal, da hidji, dingarankeun nabi Isis; loeloehoer manoesa.

Nabi Isis diseuweu Kalijanggin.

Kalijanggin diseuweu Malit.

Malit diseuweu Malam.

Malam diseuweu Mahoer.

Mahoer diseuweu Lamak.

Lamak diseuweu Nasar.

Nasar diseuweu Basar.

Basar diseuweu Nabi Enoh.

Nabi Enoh diseuweu istri, poetri Betari Sanglinglang.

Betari sanglinglang diseuweu Moeladasadi.

Moeladasadi diseuweu ratoe Babar bwana, arina krama ka Batari Logina.

Batari Logina diseuweu ratoe Gandoel gantoeng.

Naha mana dingarankeun ratoe Gandoel gantoeng? Kerna


Katja 3.


tapa di awang-awang.

Arina krama ka Betari Tjipta Lenggang, diseuweu nja Ratoe Meneng poetih.

Naha mana dingarankeun ratoe Meneng poetih?

Kerna tapa dina haseup bidjil poetih.

Arina krama ka Betari Tjipta wisesa, arina diseuweu ratoe Gandoellarang.

Naha mana dingarankeun ratoe Gandoel larang ?

Kerna tapa dina bentang.

Arina krama ka Betari Mekoe bajoe.

Betari Mekoe bajoe arina diseuweu ratoe Okang larang.

Naha mana dingarankeun ratoe Okang larang ? Kerna dina boelan.

Arina krama ka Betari Mekoe hoerip; Betari Mekoe hoerip arina diseuweu ratoe Siar.

Naha mana dingarankeun ratoe Siar ? Kernatapa di djero banjoe.

Arina krama ka Betari Medang tasa, arina diseuweu ratoe Komara.

Ratoe Komara arina krama ka Betari Lenggis.


Katja 4.


djati.

Betari Lenggis djati arina diseuweu ratoe Poetjoek poetih. Naha mana dingarankeun ratoe Poetjoek poetih?

Kerna tapa di djero langngit poetih noe leuwih.

Arina krama ka Betari Panggoeng kantjana, arina diseuweu Baginda premana.

Arina krama ka Maradja Leng djagat arina dibogaseuweu djoemeneng ratoe Radja poetra poeter djagat.

Ditibanan tji banjoe eloeh.

Diraga-raga (diragragan) tji banjoe eloeh.

Koetjarita Waroega goeroe mana djoemeneng njakra wati, katoeroenan tjaja eloeh, toeroen ka goenoeng Rajanna, djoemeneng ratoe Rajanna.

Mangka tjaritakeun deui nabi Adam.

Diogan sarejat, lampahna, eukeur bingoeng, miteteken srangenge, hoekoemna sakoer noe oesik dihalalkeun, alamna lima riwoe tahoen, tjengkal ka[ 131 ]

Katja 5.


joe ka patbelas ratoes.

Kasalinan deuikoe nabi Enoh, alamna dalapan ratoes tahoen, tjengkal kajoe salapan ratoes tjengkal pandjangna, hoekoemna sakoer noe paeh koe maneh diharamkeun, balana saeusina.

Kasalinan deui koe nabi Isis, diboga kitab tanpa karana.

Tjaritakeun deui koe ratoe Radja poetra poeter djagat.

Nabi Enoh mireungngeuhkeun nagara Selong padagang dalapan.

Mangka noeroet Baginda premana premana sabalana kabeh.

Ratoe Radja poetra poeter djagat noe ranoehhan hanteu miloe, koedoe-koedoe karsa daha babatang.

Mangka kahatoer ka ramana.

Mangka bendoe ramana: eta oge rek dipoepoesan.

Mangka di-


Katja 6.


tjekel koe Adam daoer.

Mangka kabireungeuh koe njai aisna, koe ratoe Dewi asta. Mangka dibelakeun djalma sewoe.

Toeloejna ka kahijangan.

Lawas tapana di kamoelijaan, toeroen ngababakan.

Medang kamoelan sangngara, noe boga dajeuh dingaranan ratoe Rawana(?).

Mangka diprangngan koe Alam daoer, kasedek ngidoel ka poelo Panamoer.

Mangka silih balang koe siwalan, toeroenna kadajeuh mana dingarankeun Bagelen.

Tjaritakeun deui poetrana ratoe Mesir na poetri geulis Raminihaloel, noe djoeng dina boelanna boelan anggara kasih.

Oenggahna ka papangoeng


Katja 7.


ngan nengtjengna patanggalan.

Rek dibireungeuh ngoelon, pepet; rek dibireungeuh ngetan, pepet; rek dibireungeuh ka tebeh kidoel, behna pameget.

„Rampes ta inja”.

Toeloej hatoer ka ramana: „rama kawoela hatoer dek krama ka ratoe Radja poetra poeter djagat.”

Saoer ramana: „Soekoer temen, anaking, hidep rek krama na ais bawa satapa.”

Toeloej dibawa koe Darma siksa.

Toeloej angkat deugna kai ais didjenengkeun Amad moesapir.

Toeloej ka nagara Medang kamoelan; kadaharranan sri.

Mana aja sri di noesa Djawa.

Toeloej krama raka ka pada raka, rai ka pada rai.

Toeloej pinoeh Medang kamoeljan, dieusi koe doea riwoe

Mangka karsa min-


Katja 8.


dah dajeuh ka Goenoeng kidoel.

Mangka diwaris koeringna koe Darma siksa,noe ti Mesir sakoeringna ka goestina, noe ti Selong sakoeringna ka goestina.

Saoer ratoe: „Lalakina eta oge teu dibwaga waris, aja waris poerba mana koeat ewe-ewena.”

Mangka toeloej djadi nagara doewa kang raka deungngeun ka rai.

Mangka tjaritakeun deui nabi Enoh.

Saoerna nabi Adam: “Nabi Enoh, teu jatjan dahar sri; reja doeradoe, koedoe bogoh ka pada padalalaki, karsa dahar babatang.”

Saoerna: “Nabi Adam, moegi-moegija keuna bebendon deneng Allah.”

Mangka nabi Adam njieun parahoe.

Mangkana patoe, dibawa oenggah ka parahoe nabi Adam nabi Enoh.

Dibawa oenggah ka parahoe, mangka bidjil angin topan sapotjorro ti sagara, mangka keneum alam doenja.

Oerang noe-


Katja 9.


sa Djawa rame eukeur njieun goenoeng.

Saoer ratoe Prewata sari djagat: “pikakeueumeun.”

Mangka njipla goenoeng sasipat langit, dingarankeun goenoeng Adrakasa.

Mangka oerang noesa Djawa dibawa oenggah goenoeng koe rata Prewata sari djagat. [ 132 ]