Poesaka Soenda 1922-08-1(02)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1922-08-1(02)  (1922) 

[ 17 ]

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT: – GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN


Eusina nommor 2.


Patilasan Radja Djaka Soesoeroe 17
Bangsa Kalang 21
Patilasan-patilasan di Banten 22
Goegoeritan pipilis istri goegah babar 26
Goegoeritan paranti njawèr 26
Basa Soenda 28
Wawatjan Siliwangi 29
Pihatoer Redaksi 32


Patilasan Radja Djaka Soesoeroe.

(Samboengan Poesaka Soenda No. 1)

Sanggeusna Kangdjeng Radja Siliwangi ngadawoeh kitoe, teroes poetrana Radèn Moending Mintra Kasiringan Wangi disaoer, sarta didawoehan koedoe ngamplang ngoembara ka tatar Alasan Pasagi Wètan, nèangan pinagaraeun, sarta dirèntjangan koe doea Toemenggoeng, nja èta Dipati Toemenggoeng Sèwanagiri, djeung Dipati Toemenggoeng Sèwanagoeroe, sarta dipasihan djimat Makoeta Siger Kantjana djeung gambar Pakoean Padjadjaran atawa gambar Lawè Domas Kinasihan. Saparantosna sadia ladjeng Moending Mintra Kasiringan Wangi djeung Toemenggoeng Sèwanagiri Sèwanagoeroe angkat tiloean. Barang nepi kana Leuweung ganggong si magonggong, Radèn Moending Mintra sarta doea Toemenggoeng lirèn di dinja, pok mariksa ka Toemenggoeng Sèwanagoeroe djeung Sèwanagiri, kieu lahirna: "Hè, mang Toemenggoeng Sèwanagoeroe djeung Sèwanagiri, boa-boa nja ieu pinagaraeun tèh!" Djawabna doea Toemenggoeng: "Soemoehoen dawoeh, èmoetan poen paman ogè kawas-kawas jaktos pisan ieu, pantes oepami didamel nagara tèh, margi palemahanana saè, tnah kalingkoeng koe goenoeng, bahè ngètan, nja noe kieu noe diseboet Galoedra ngoepoek tèh." Toeloej Radèn Moending Mintra neneda ka djimatna Makoeta Siger Kantjana, sarta neneda ka Dèwa Batara Sanghiang Oetipati. DImakboel panedana, toeloej èta tanah ditjipta, djleg djadi nagara, sarta makè bèntèng 5 lapis, salapis bèntèng beusi, salapis wadja, paroenggoe, pèrak, lapisan noe pangdjerona beusi poerasai. Ti dinja neneda deui ka Dèwa [ 18 ]moendoet pamoek 8000, baladna 80000, badegana sawidak lima noe poerah ngoeroes di Karaton. Sanggeusna lengkep eusi karaton rawoeh eusi nagara, toeloej Radèn Moending Mintra Kasiringan Wangi barempoeg djeung Toemenggoeng Sèwanagiri, Sèwanagoeroe baris nangtoekeun pingaraneunana èta nagara. Tapi didjawab koe Toemenggoeng Sèwanagoeroe, Sèwanagiri: "O, Radèn, perkawis pingaraneunana ieu nagara, oelah ngaborongkeun rama baè, Goesti Praboe Siliwangi di Pakoean Padjadjaran langkoeng saè abdo baè oetoes ka Padjadjaran ngadeuheus ka Goesti." Nja toeloej Radèn Moending Mintra ngarempoegan. Ti dinja ladjeng Toemenggoeng Sèwanagoeroe angkat sedja ngadeuheus ka Kangdjeng Praboe Siliwangi. Teu katjarios di djalanna, parantos soemping ka nagara, ladjeng marek ka Kangdjeng Praboe Siliwangi, sarta teroes oendjoekan jèn dipiwarang koe poetrana njoehoenkeun pingaraneunana èta nagara, wirèh saniskanten parantos sajagi, henteu atjan dingaranan.

Dawoehan Kangdjeng Praboe Siliwangi: "Ari pingaraneunana èta nagara koedoe "Tandjoeng Singoeroe", sarta Moending Mintra koedoe gentos kakasih, "Praboe Djaka Soesoeroe". Ti dinja Toemenggoeng Sèwanagoeroe amit moelang, parantos dongkap ka nagara Tandjoeng Singoeroe, toeloej dipariksa koe Moending Mintra Kasiringan Wangi: "Koemaha dawoehanana Goesti Praboe Siliwangi?" Toeloej dioendjoekkeun koe Toemenggoeng Sèwanagoeroe, jèn dawoehanana pingaraneun èta nagara tèh koedoe Tandjoeng Singoeroe, sarta radja koedoe gentos djenengan, Praboe Djaka Soesoeroe". Saoer Radèn Moending Mintra Kasiringan Wangi: "O, atoeh noehoen, jèn ajeuna nagara geus aja ngaranna, sarta kami digentos djenengan, ngan handjakal baè atjan boga pawarang. Ari ajeuna saha deui noe baris pibèlaeun, kadjabi ti mamang dpati, ajeuna diperih pati, koedoe nèangan Poetri keur baris pawarang". Saoer Toemenggoeng Sèwanagoeroe: "Mangga abdi ajeuna baris nèangan poetri, malah parantos mendak wartos, aja modjang di nagara Bitoeng woeloeng, poetra Toemenggoeng Bitoeng woeloeng, Pangèran Djoengdjang Boeana, djenenganana èta Poetri noe hidji Sekar Djajanti, hidji deui Djajanti Kembang".... [ 19 ]Radjana Badak Tamela Soekla Pandorok Djaja. Eta Radja teu kagoengan garwa, ngan kagoengan sadérék istri hidji djenengan Ratna Kembang Tan Goemilang.

Radja keur linggih di Paseban, ngadangoe anoe pésta di nagri Tandjoeng Singoeroe, toeloej njaoer raina njai-Poetri Ratna Kembang: „Njai, di mana éta noe pésta téh?”

Djawab Poetri: „Éta noe pésta téh, di nagri Tandjoeng Singoeroe, Radjana keur oléng-pangantén djeung Poetri Sekar Djajanti, Djajanti Kembang.”

Saoer Radja: „O atoeh, éta mah modjang kantanan akang ti baheula, éta poetri Sekar Djajanti téh bébéné akang. Tjoba njai dagoan heula, ajeuna koe akang rék diiwat.”

Djawab raina: „Akang oelah, sabab éta mah pawarang Radja, nadjan akang wedoek ogé moal mampoeh, tangtoe, oerang tjilaka.”

„Ah keun baé koe akang rék direboet, moal beunang ditjaram, kapan akang boga kawah Domas; éta Praboe Djaka Soesoeroe koe akang dék dilédjokeun, rék dibobodo diseboetkeun di kawah Domas aja inten gedéna sagedé énéng, sina ditjarokot, sarta moen geus di djero kawah, pantona koe akang rék ditoétoep.”

Ladjeng Radja Goenoeng Goemoeroeh angkat, geus soemping ka Tandjoeng Singoeroe, teroes pamit neda eureun.

Katingali koe Radja Tandjoeng Singoeroe ladjeng dipariksa: „Sampéan ti mana asal, sarta saha djenengan tara-tara ti sasari, kawas anoe aja bédja?”

Djawabna: „Leres akang téh Radja Goenoeng Goemoeroeh, noe mawi dongkap ka dieu sedja bakti nagri, njanggakeun djelema, sareng inten boentet sagedé énéng, noe aja di kawah Domas; teu aja deui noe baris piiasaeun njandak ngan rai, noe kagoengan milik.”

Ladjeng Radja Tandjoeng Singoeroe njaoer ka raina: „Koemaha Njai, éta oerang ajeuna dibaktian nagri djeung inten, koemaha hadé tampa atawa entong?”

Djawab raina: „Entong raka, biheung teuing éta anoe rék nganiaja ngagoda ngarantjana ka oerang, sareng ieu rai sédjén raraosan, asa rék ngandeg.”

Tapi Patih Toemenggoeng Séwana Goeroe oendjoekan: „Moal saé éta noe bakti teu ditampi, ajeuna mah mangga baé oerang angkat.”

Ti dinja ladjeng arangkat Praboe Djaka Soesoeroe Toemenggoeng Séwana Goeroe, Séwana Giri sareng Radja Panarak Djaja. Teu kotjap di djalanna, geus soemping ka kawah Domas. Barang soemping ladjeng Praboe Djaka Soesoerooe Toemenggoeng Séwana Goeroe sareng Séwana Giri narempo kana éta kawah.

Teu tata pasini deui koe Radja G. Goemoeroeh, éta noe tiloean téh ngan didjedjekan baé digebroeskeun kana kawah Domas. Barang geus tigoebrag tiloeanana, toeloej pantona ditoetoep koe batoe woeloeng koe éta Radja G. Goemoeroeh. Eta ménak noe tiloe di djero dasar kawah Domas, teroes tatapa, lamina kénging 80 taoen.

Ti dinja Radja G. Goemoeroeh teras angkat ke nagara Tandjoeng Singoeroe, maksoedna rék ngandih nagri. Barang soemping ladjeng dipariksa koe Poetri Seker Djajanti, Djajanti Kembang: „Raka, Radja G. Goemoeroeh, naha di mana kénéh ari Praboe Tandjoeng Singoeroe?”

Djawabna: „Njai ajeuna entong nanjakeun Praboe Djaka Soesoeroe, sabab koe akang anggeus di djeroem, ajeuna mah tjarogé njai téh nja akang pisan, sarta ieu nagara koe akang rék diandih.”

Djawab Poetri: „Ah doeka, sabab koering mah moal pegat toehoe ka Praboe Djaka Soesoeroe!”

Keukeuh Poetri dipaksa, teras éta Poetri maboer, barang dongkap ka pileuweungan, bobotna geus djedjeg 9 sasih, éta poetri ngowo di tengah leuweung, poetrana pameget sadajana, sarta didjenenganan éta moerangkalih noe ti Sékar Djajanti Heulang-boengbang-legantara-loenggoeh-tapa-djaja-perang, ari noe ti Djajanti Kembang djenenganana Kebo Keremaj Sakti Pangéran Giringsing Wajang. Éta moerangkalih doewanana dirorok di pileuweungan, ageung di pileuweungan.

Barang geus joeswa 10 taoen éta maroerangkalih sareng iboena teras ngoengsi ka nagara Tandjoeng Soembara. Ari [ 20 ]anoe kagoengan nagara éta, Gadjah Karoemasakti; ari garwana doea, djenengan Poerba Dewata, Ratna Dewata. Barang soemping éta maroerangkalih sareng iboe-iboena ka pajoeneun Radja Gadjah Karoemasakti, dibagéakeun: „Oh soekoer noehoen bagéa soemping, ieu téh noe ti mana, sarta toeroenan saha?”

Djawab Poetri: „Oepami Radja pertjanten, ieu poen anak, toeroenan Kangdjeng Praboe Siliwangi, poetra Praboe Djaka Soesoeroe; ari koering iboena, noe mawi ka dieu sedja njoehoenkeun toeloeng panggoegahkeun Praboe Djaka Soesoeroe, noe aja di djero dasar kawah Domas, didjeroem koe Radja G. Goomoeroeh.”

Dawoehan Radja: „O njai, hadé koe akang ditoeloengan. Ajeuna éta nagri Tandjoeng Singoeroe oerang djieun lantaran, soepaja kaoeninga koe Radja G. Goemoeroeh, éta nagri oerang hoeroe.”

Djawab Poetri: „Saé, nanging moega énggal digoegahkeun heula noe aja di dasar kawah.”

Ladjeng Radja Gadjah Karoemasakti angkat, barang soemping ka Tandjoeng Singoeroe, teras éta nagri dihoeroe, seuneu moentab-moentab saeusi nagri boedal ngalér ngétan ngidoel ngoelon, nagara boeral-barik.

Barang kaoeninga koe Radja G. Goemoeroeh, njabab ka Radja Gadjah Karoemasakti.

Djawabna: „Ieu nagara kaoela.”

Tjeuk Radja G. Goemoeroeh: „Noe kaoela.”

Paakoe-akoe, toengtoengna ger perang éta Radja Gadjah Karoemahsakti djeung G. Goemoeroeh, ramé geloet ngadoe kasaktén; toengtoengna Radja G. Goemoeroeh kadéséh perangna, nepi ka taloek ka Radja Gadjah Karoemahsakti.

Ti dinja Radja Gadjah Karoemasakti njaoer: „Ajeuna manéh hadé taloek, tapi koedoe geuwat ngagoegahkeun Praboe Djaka Soesoeroe ti dasar kawah Domas.”

Djawabna: „Mangga, tapi kedah sareng, sareng sampéan, oerang ka kawah.”

Ti dinja ladjeng arangkat, barang soemping kana kawah Domas, batoe toetoepna téa toeloej didjoengkatkeun, béh kapendak éta noe tiloean téh, Praboe Djaka Soesoeroe, Toemenggoeng Séwanagoeroe, Séwanagiri, ladjeng digoegahkeun dihandjatkeun.

Eta Radja G. Goemoeroeh njanggakeun pertobat ka éta 3 ménak tina oeroet waktoe tadi sakitoé ngaja-ngajana ka éta Praboe Djaka Soesoeroe, sarta nagarana katoet eusina dipasrahkeun rawoeh sadérékna noe istri disanggakeun ka Praboe Djaka Soesoeroe, soepaja didamel pawarang. Satoeloejna nagara G. Goemoeroeh kaparéntah koe Praboe Djaka Soesoeroe.

Ti dinja ladjeng Praboe Djaka Soesoeroe angkat sareng poetri sadérékna Radja G. Goemoeroeh ngaboedjeng ka nagara Tandjoeng Soembara. Djadi tetepna Radja Praboe Djaka Soesoeroe di nagara Tandjoeng Soembara kagoengan pawarang 3 poetra 2 papatih 4 nja éta:

  1. Toemenggoeng Séwana Goeroe.
  2. Toemenggoeng Séwana Giri.
  3. Toemenggoeng Gadjah Karoemasakti.
  4. Toemenggoeng Badak Tamela Sakti Panarak Djaja.

Panaloengtik.

Saparantos djisim koering terang lalakonna, nja koe djisim koering koeta-koetana sareng Batoedjamban, nja éta anoe baheulana tempat paranti siram oerang karaton Tandjoeng Singoeroe téa, dipotrét. Malah toeloej marios kaajaan oeroet karatonna, djalanna mapaj-mapaj djalan satapak, sasarengan sareng toean Bakker goeroe di Tjiandjoer.

Tegal anoe aja di toekangeun koeta bénténg téa, rada majat, tapi di sababaraha tempat aja anoe néplak datar. Tatangkalan anoe galedé méh teu aja, manawi ditaloearan koe oerang dinja. Di dinja kadjabi ti koeboeran koeli-koeli anoe maraot basa keur njieun torowongan solokan, koering mendak koeboeran baheula, anoe njangirahna henteu noeroetkeuh atoeran islam, sareng leuwih parandjang batan astana sédjén. Tapi ari batoe-batoe atawa témbokan mah anoe pantes djadi tjiri patilasan karaton, henteu aja; ngan harita koering mendak loeloempang, batoe alit sareng lakina (haloena) lonjod.

Saé pisan oepami lolongkrang antawis [ 21 ]koeta sareng koeta téa anoe kapoengkoerna mah tangtos langkoeng djero, dikali; malahmandar mendak oeroet-oeroet baheula, anoe djadi katrangan anoe leuwih tétéla kana ngadegna éta karaton.

Margi tangtos pisan baheula oepami Tandjoeng Singoeroe aja anoe ngaroeroeg, koeta bénténg téh didjagi koe soldadoe, nja di dinja deui, ngalawanna moesoeh téh, sareng moal boa réa anoe maraot marawa pakarang, Oepami tiasa mendakan pakarang-pakarangna tangtos kénging dianggo saksi geusan nangtoskeun djaman-djamanna ajana éta Karaton Tandjoeng Singoeroe.

Palemahanana ieu karaton aloes pisan, ngongkang ka waloengan Tjisokan, anoe baheulana mah tangtos pisan langkoeng lega, toer dipoengkoer dilioeng koe goenoeng, goenoeng Tjiboelé sareng Kiarapajoeng, taja petana beunang direboet koe moesoeh, moal bisa éléh koe atah-atah. Anoe ngaroeroeg, noe rék ngadjabel karaton, koerang-koerang tohagana mah kawasna, moal baé kana bisa meunang téh.

Di peuntaseun Tjisokan ogé beulah katoehoe, tjaket kampoeng Tjiboelé, aja deui koeta bénténg, doea.

Di G. Kiara Pajoeng doegi ka ajeuna aja kénéh hidji tangkal kiara anoe poentjakna ngarandakah sapertos pajoeng. Di dinja aja padjaratan, noemoetkeun tjarios oerang dinja sanget; malah sok dianggo pamoedjaan koe sato héwan leuweung dina oenggul sasih Moeloed.

Ari oeroet aloen-aloenna anoe nelah disebat aloen-aloen „Séwoe Tjengkal”, datar neplak pisan, sakoerilingna tegal baé, pernahna katjida saéna, pikabetaheun.

Noemoetkeun babad sareng Serat Kanda Madjapahit tingali Pararaton (Ken Arok) anoe dikaloearkeun koe Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, djilid LXII tjitakan ka 2 kénging Dr. N. J. Krom katja 110, 11-, 203, 216, 217, 218 sareng 223. Jaka Suruh atanapi Susurah téh, anoe mimiti ngadegkeun karadjaan Madjapahit, sarta nja andjeunna anoe mimiti djoemeneng radja kakasihna Radja Brawidjaja ka hidji ngeréh Djawa Koelon sareng Djawa Wétan.

Oepami diparios koe Oudheidkundige Dienst tangtos bakal seeeur deui kaanéhanana.


Bangsa Kalang

(Samboengan Poesaka Soenda No. 1).

Koe lantaran harita éta Nji Landjang keur tareunanganeun sarangeuk toeroen, pot baé ngedalkeun omong, jén saha-saha anoe bisa mangnjokotkeun toropongna, moen lalaki didjieun salaki, moen awéwé didjieun doeloer. Harita kabeneran si Toemang (Dina Djowo: bruine hond) ngaliwat, sarta omongan éta awéwé téa kadéngéeun. Kop baé toropong teh ditjokot, kalatjat oenggah, sok dibikeun ka anoe boga. Éta awéwé kapaksa nekanan djangdjina éta andjing djadi salakina. Heuleut sawatara lilana, palendoeng reuneuh, sarta brol ngadjoeroe, anakna lalaki. Barang éta boedak geus oemoer 20 taoen, moro bagong ka leuweung, mawa andjing téa, tapi ari manéhna mah boeta-moena, teu njaho jén éta andjing téh bapana teges. Di leuweung béh manéhna manggih bagong bikang, teroes dioedag, andjingna dihoetjoehkeun. Sebroet andjing ngoedag, tapi ari gok si Toemang anggoer koepat-képot, teu daékeun ngarontok. Atoeh anoe moro téh ngambek, harita kénéh andjingna dipaéhan, nja kitoe deui bagongna dikadék, paéh patoendjang-toendjang djeung andjingna.

Sanggeus kitoe mah léos baé balik, sadatang-datang galantang ditjaritakeun ka indoengna mentas moro, maéhan andjing djeung bagong. Indoengna ngaréndjag ngadéngé tjarita anakna kitoe teh, sarta pok diomongkeun, jén éta andjing téh saenjana nja bapana, djeung ari éta bagong, ninina. Indoeng djeung anak ajeuna mah ngan bati soesah baé.

Katjaritakeun éta boedak ngora lila-lila boga bodjo, nja anakna djeung satoeroenannana diseboet bangsa Kalang. Kitoe toetoeranana, anoe matak tepi ka ajeu[ 22 ]na bangsa Kalang téh ditoeding toeroenan andjing, djeung koe sabab éta katjida resepna kana ngingoe andjing.

(Djadi sasakala Kalang teh saroea pisan djeung sasaka Djaka Sona atawa Sang Koeriang di Soenda S. d. R.).

Aja deui anoe, nerangkeun asal-moeasalna Kalang téh kieu.

Dina windoe anoe ka 17, waktoe Soeltan Ageng ngasta karadjaan Mataram, di Djawa tengah aja djelema saba leuweung, teu poegoeh padoemoekanana pipindahan ti hidji goenoeng ka goenoeng sédjén, tatali-hoeripna tina boeboeahan leuweung baé, mindeng maranéhanana ngarala laoek di waloengan-waloengan, atawa moro.

Katjida dipikasieunna koe oerang Djawa, pédah padjar galak, djeung sok babadok rarampog atawa ngadon ngarandjah ka pilemboeran-pilemboeran, naon baé anoe kapanggih diringkid tara dikarikeun.

Barang kaémpé-émpér ka Radja Mataram, jén éta bangsa kitoe taladjakna, nja geuwat Kangdjeung Radja, ngoetoes Patih djeung para ponggawa sagagamanana pikeun nangkep éta djelema-djelema.

Teu sakoemaha lilana kakerid kabéh dibawa ka Mataram, sarta koe Kangdjeng Radja diperenahkeun dina hidji tempat anoe dibénténg, teu meunang aja noe ingkah, malah ka loear ogé ti djero-koetana, lamoen teu kalawan papaidin mah, teu meunang.

Ari pakasabanana nja dipaparin gawe, ngagarap kai, ngoentaj, njieunan séla.

Tah kitoe tjenah sababna anoe matak diseboet oerang Kalang téh, pédah dikalangan teu meunang ingkah ti tempatna.

Baheula mah dilarang banget naker, teu meunang aja bangsa kalang anoe njorok ka oerang Djawa. Tapi ajeuna mah geus patjorok baé, anoe matak tangtoe lila-lila mah éta bangsa téh moesna pisan.

Tjeuk sakaol bangsa Kalang teh, djelema bojongan, tataloekan ti Balangbangan basa keur perang Djawa Tengah djeung Djawa Wetan. Ari tjeuk sakaol deui oerang „Tanah Sabrang” taksiran baé oerang Malaka, anoe dirintahkeun ka Djawa.


Patilasan-patilasan di Banten.

(Samboengan Poesaka Soenda No. 1).

Sakoemaha anoe geus kaoengel ti pajoen, koering ti Sérang téh madjoe ngalér, toeroet djalan gedé anoe bras ka Banten, ajana éta djalan sakatoehoeeun waloengan Tjibanten. Sapandjangna anoe kaliwatan téh pasawahan baé radjeun kaselang koe taloen djeung lemboer-lemboer. Mimiti koering sindang heula ka boemina Radén Ajoe Poedjaningrat, garwa R. A. Soetadiningrat, Dalem Sérang sawargi. Anjeunna nadjan geus sepoeh ogé, joeswana bédjana geus leuwih ti 100 taoen, tapi daréhdéhna saréhséh djeung soméahna ka sémah, teu aja soedana.

Koe Djoeragan Angling Koesoemah andjeunna ditaros soegan émoet aja pasanggrahan anoe diseboet Koeta Roeboeh, tilas kalangenan Soeltan Ageng. Tapi teu oeningaeun, malah saoerna, soemawonna oeninga, teu ara ngadangoe-dangoe atjan Koeta Roeboeh mah. Ari kana patilasan-patilasan anoe sédjén mah, saperti tilas karaton soeltan-soeltan, Tasik Ardi dj. s. t. andjeunna téh tatag naker njarioskeunana.

Kira-kira 2 pal djaoehna ti dinja, di sakoeloneun djalan, aja kana 30 M. mah ti djalan, aja koeboeran anoe nelah ODEL. Ari anoe soemaré di dinja Mangkoe Boemi baheula, Pangeran Astapati djenenganana, anoe diararanggap andjeunna téh toeroenan Praboe Siliwangi ti Padjadjaran. Éta makam dikoeta sakoerilingna, di djerona ngararanggoenoek kakaian anoe djadi ioeh-ioeh. Lawangna ajana beulah ti kidoel ngabangoen potongan Hindoe.

Deukeut ka pal 6 wawétaneun djalan, kira-kira 100 M. peuntaseun djalan karéta api, di tengah sawah, aja anoe dibénténg, nja éta makamna Maolana Joesoep, poetra Maolana Hasannoedin. Éta koeboeran legana kira-kira 10 M. pasagi, dikoebeng koe koeta témbok loehoerna koerang leuwih 1½ M., lawangna dipantoan, tapi wawajagon naker.

Sadjeroeun koeta loear aja deui bénténg, [ 23 ]nja di tengah-tengahna aja adegan tempat makam téa djeung makam poetra poetoena.

Ari di saloeareunana, anoe kakoeroeng kénéh koe koeta, pinoeh koe makam wargi-wargina, anoe lalandes kénéh. Ari koelawargi anoe geus lalaér mah djeung pangiring-pangiring makamna di loeareun koeta tea.

Ti kadjaoehan mah éta makam-makam téh, dalah adeganana ogé, henteu katingal, da kahalangan koe kakaian, djadi babakoena.

Sanggeus ngaliwat sasak deukeut pal 6, djalan téh rada ngoelon, ngaliwat oeroet karaton Soeltan Safioedin.

Ngan sataoen Soeltan Moehamad Safioedin ngastana karadjaan, kaboedjeng poepoes, ngantoen garwa djeung poetra boerej kénéh, noe djenenganana Moehamad Rafioedin. Socltan Moehamad Rafioedin nja di dinja deui karatonna saboemi sareng iboena, noe matak ka-béh-dieunakeun éta karaton diseboet Karaton kaibon, da ari karatonna noe saenjana mah di Kasemén, pernahna deukeut karaton Kaibon téa.

Ari Karaton loeloehoerna anoe asal mah, anoe diseboet Kota Inten téa, kawasna sanggeus dirandjah djeung diroeksak dina taoen 1808, alam Toean Daendels téa, henteu dieusian deui.

Linggihna di dieu ogé kawas-kawasna nja teu pati lila, malah tjeuk tjarita oerang dinja mah, lililana ngaratonna téh di Kasoenjatan, nja ti dinja ngalih deui ka Sérang, makoewon di hidji boemi sakidoeleun aloen-aloen. Teu lami ti sanggeus boemén-boemén di Sérang, iboena Moehamad Rafioedin kagoengan tjarogé deui ka dalem Sérang, anoe djenenganana Pangéran Abdoel Hasan (+ = 1830).

Barang Moehamad Rafioedin enggeus sawawa, nja didjoengdjoeng loenggoeh digelar Soeltan, kalawan pirempag Toean Raffles, toemoet perdjangdjian djeung Goepernemén.

Tapi Goepernemén tjangtjaja ka andjeunna, koe sabab éta Soeltan anoe masih anom kénéh téh dipernahkeun linggihna di Sérang.

Heuleut sawatara taoen ti harita, kira-kira taoen 1832, andjeunna disangka sailon djeung badjo di Selat Soenda. Koe lantaran éta, sakoemaha anoe geus kaoengel di loehoer, andjeuna diboeang ka Soerabaja, nja poepoes dina taoen 1900.

Demi patilasan karaton Kaibon téa, anoe ajeuna masih aja kénéh mah, pernahna béh ditoeeun sasak téa, babakoena ngan kari koeta témbok kandel, pandjang aja kana 80 M. mah, ari loehoerna 2½ M. aja lima lawangna, bangoen potongan atoeran Hindoe. Kitoe ogé éta koeta-koeta téh geus roeksak, pinoeh koe akar tjaringin anoe djaradi di loehoerna.

Lempengan lawang anoe tengah, kira-kira aja 50 M. sadjeroeunana, aja tilas katja-katja, ngaranna PINTOE DALEM, ari deukeut lawang anoe pang koelonna, aja 20 M. mah djaoehna ti djalan, aja oeroet masigit karaton. Salian ti éta mah geus djadi leuweung baé, pinoeh koe tatangkalan aja kawoeng aja kalapa djeung djaba ti éta, bala pisan nepi ka taja petana beunang disorang.

Oepama aja noe naléngténg, naha di dinja téh baheulana aja karaton saadat biasa, atawa koemaha? Tah éta teu aja noe bisa mastikeun. Malah, saoer Djoeragan Angling mah, Karaton Kaibon mah, Kawasna teu koengsi anggeus-anggeus atjan.

Sakoeloneun Karaton Kaibon nja kataton Kasemén téa, tilas Soeltan Zainoel Salihin, anoe katelah Soeltan Ageng Kesemén. leu mah tilas karaton téh, teu aja oeroet-ocroetna atjan, geus djadi kampoeng baé, lemboer Kabalén ngaranna.

Di deukeut Kasoenjatan aja koeboeran-koeboeran karamat, makam Ratoe Asia ogé, iboena Soeltan Rafioedin, nja di dinja deui.

Ti Kaibon djalan téh teroes baé ngoelon, mengkol ngalér ngaliwatan kampoeng Banten, ti dinja ngoelon deui, djolna ka oeroet aloen-aloen dajeuh Bantén baheula.

Oepama oerang hajang terang koemaha kaajaanana dajeuh Banten baheula, kira-kira dina taoen 1600, oerang bisa nangénan dina karangan Toean S. E. Harthoorn, dina Indische Gids taoen 1890, anoe ringkesna kieu:

Dajeuh Banten téh baheulana dikoebeng koe koetabata, tea maké bénténg tohaga [ 24 ]anoe pikeun djadi aling-alingna, ngan oenggal kira-kira sapanjeloek diajaan papanggoengan tiloe-tiloe oempak, paranti anoe ngadjaga, sarta dina oenggal djoeroe pada djoeroe panghapit bénténg bata téa, diajaan mariem digolérkeun dina taneuh atawa maké roda. Aja tiloe katja-katjana kai, lawang ka kota, teu make panto tara dipeudeutan, tapi didjaga koe pradjoerit anoe santosa pisan, sarta atoeranana ditata tepi hésé moesoeh anoe arék nempoeh dajeuh.

Dina palebah waloengan atawa solokan anoe ngotjor ka kota, nja ti girangna nja ti hilirna direumpeuk koe awi tohaga pisan.

Ti Katja-katja anoe tiloe téa, nja éta katja-katja laoet, katja-katja darat, djeung katja-katja goenoeng, aja djalan anoe bras ka aloen-aloen.

Sakidoeleun aloen-aloen nja karaton Kangdjeng Soeltan, anoe didjieunna koe kai, ari masdjid mah djeung Boemina Mangkoe Boemi témbok. Di sawétaneun aloen-aloen aja goedang pakarang ngadjegir sagedé nanahaon, ari sakoeloneunana nja masdjid dikenténg, radjeg tihang-tihangna kai tjandana woengkoel, bilikna témbok dihias koe roepa-roepa poslén. Di sawétaneun kota aja masdjid leutik deukeut basisir.

Waloengan anoe ngaliwat ka dajeuh, djerona tiloe kaki tjaina tjameubleu, di- paké pamitjeunan roentah-roentah, djeung kokotor ti pakampoengan anoe dareukeut ka dinja, sakalian djeung paragi mandi, awéwé lalaki broeg baé di dinja.

Ari oerang Sabrang, saperti oerang Malajoe, Persi, Birma, Toerki, Arab, Habesi, dj. s. t. tjaritjingna di toeroet basisir. Patjinan perenahna di sakoeloneun dajeuh, dipager ti daratna, dikoerilingan koe rawa minangka pangdjaga bisi aja anoe arék mergasa ka maranéhanana. Bangsa Portegis ogé nja kitoe deui ka-béhdieunakeun bangsa Walanda djeung Inggris, nja di Patjinan téa deui ngalandjrekna.

Banten teh Kota Palaboean Hindia anoe pang mimitina, djadi panoendaan saniskara hasil boemi, anoe diliarkeun ka sakoeliah nagara. Oenggal poé di pasarna ramé lain dikieuna, nojék djelema anoe daragang anoe ngabarodjong kahasilan, moengpoeng koempoel soedagar sagala bangsa anoe ngahadja ngaradon balandja djeung ngadon daragang.

Karaméan kaagréngan djeung kahégaran pasar Banten harita, anoe ditjarioskeun koe Toean Harthoorn dina boekoena, soeroep loejoe ninggang pisan kana bangbalikanana Banten ajeuna, tjombrék tiiseun sepi réhé djempé, djelema pating arentang, lemboer dikoekoedoeng aloem ngoeloewoet atina djoewet, tarikolot inget ka alam ka toekang. Ari koe kitoe tea mah, atoeh da boeboehan doenja, nja tangtoe aja pasang soeroedna. Banten ogé nja kitoe ilahar oenggal nagara, aja waktoe noedjoe poendjoel, loehoeng dina oesoem agoeng, ana datang mangsana tigerat, nintjak babahan katiga, dirandapan nista hina, nja teu bisa koemaha, tanda doenja henteu lana.

Kitoe ringkesna.

Karaton anoe ajana sakidoeleun aloen-aloen téa, diseboetna Kota Inten, diadegkeunana koe Soeltan Hadji.

Ari karaton Soeltan-Ageng dina boelan December taoen 1605 kahoeroean sabagian, djeung dina taoen 1607, moesna pisan koe seuneu kénéh.

Dina taoen 1680 basa taroeng Soeltan Ageng djeung Soeltan Hadji, karaton noe ngaranna Soerasoan, roeksak, tapi toeloej diadegkeun deui ngabangoen bénténg, nja koe bangsa Walanda disareboet „Fort Diamant” (Kota Inten). Lilana didjieunna 2 taoen ti taoen 1680 n.k. taoen 1681.

Anoe njieun ieu karaton, ngaranna Hendrik Laurens zoon van Steenwijk (koe toean Valentijn ditambahan ngaran Cardeel) anoe nelahna Wiragoena, tadina tjeuk sakaol, oeroet matros tjeuk sakaol deui oeroet toekang témbok Koempeni anoe biloek ka Soeltan teroes asoep Islam.

Oepatma ajeuna oerang datang ka Banten, tangtoe ningal doea tjaringin koeroeng, anoe kantoen, ngaroenggoenoek di tengah-tengah noe bala, tilas tjiri lawang ka karaton. Pasésaan-pasésaan oeroet bahan djeung dangdanan adegan baheula téa, nja araja kénéh, ngan édas tempatna koe balana, bangga disorangna. Oepama oerang hajang tétéla kana patempatan [ 25 ]djeung atoeranana oeroet Kota Inten téa, kawasna taja lian ngan tempatna baé koedoe ditjatjar heula, dibabad dibersihan sina lénang. Tapi ari sahidji-hidjieun mah tilas Soeltan téh nja aja kénéh baé, anoe beunang disorang hésé-hésé ogé, nja eta saperti kamar di djero taneuh (goeha) „penjepén” ngaranna, tempat Kangdjeng Soeltan samedi. Ti karaton aja torowongan, djalan (liang) di djero taneuh anoe djolna ka „Larah dénoh” gedong pendem, tempat njimpen radja barana, anoe di djerona aja djoeroes toegoerna, nja éta oraj, parabna endog geus biasa. Ari djoeroe koentjina (tjandolina) hidji awéwé gemejek pendék gedé ngaranna katelah „Larah dénoh”, anoe matak éta gedong pendemna téa ogé kitoe ngaranna, ngala ka noe toenggoena téa. Éta kamar legana k. l. 15 M², aja kénéh oeroet-oeroetna, tapi lamoen téu aja toedoeh djalan mah anoe nerangkeun, moal njangka oeroet radja brana, sabab koe saliwat mah siga pisan oeroet dapoer. Ieu ogé gedong pendem teh, ajana di tengah-tengah noe bala deui.

Ti djero gedong pendem téa aja pangparatanana kawasna oeroet lawang paragi bidjil bras ka hodji goeha anoe kelewoeng gonggona aja 5-6 M. pinoeh koe akar tjaringin anoe geus kahot naker. Tembok noe sakoeloneun ieu goeha tétéla rada beh dieu didjieunna, goenana keur mipindingan goeha téa. Ieu goeha ajana di kampoeng Banten sakoelon-kaléreun „Kaibon”, kira-kira aja 20 M. anggangna ti djalan anoe ka Banten.

Kawasna éta goeha torowongan téh henteu boentoe, malah disarangka parat ka Kaibon, sarta ti dinja aja deui teroesanana ngoelon, bras ka deukeut pal 6 sisi djalan anoe ti Sérang ka Banten téa, ngaliwat solokan. (Ieu solokan kawasna dikalina sanggeus aja torowongan téa). Ti dieu torowongan teh méngkol ngidoel nepi ka kampoeng Koja.

Di Koja aja oeroet lawang sakéténg. „Pintoe Gapoera” ngaranna. Lamoen oerang asoep ka éta lemboer madjoe ngoelon, sanggeus ngaliwat koebang kawas rantja, tjai ngembeng teu djero, engké ningal témbok doea goendoek oeroet torowongan ka djero taneuh téa. Témbokna anoe di sisi solokan (ajeuna mah geus lain solokan, waloengan baé) neundeut, geus teu katingal, kawasna nja éta djalan anoe njamboongkeun Kaibon djeung Koja téh.

Di sapeuntaseunana mah tilas-tilasna éta djalan torowongan téh, tétéla kénéh naker.

Karaton Kota Inten téa, sanadjan dipiwarang diroeksakna koe toean Daendels ti taoen 1808 kénéh, tapi ari moesnana pisan mah dina taoen 1832, kitoe ogé seuseut-seuat.

Atoeh da teu gampang ngabasmi éta mah oeroet karaton Soeltan téh, kawantoe diaranggapna koe djelema-djelema oerang dinja, éta mah Kota Inten téh, karamat. Noemoetkeun karangan toean Brumund djeung toean van der Velde mah, bisa sotéh roeksak, maké diparantjahan heula nanaon koe Hadji-hadji sababaraha oerang.

Noeroetieun tjarita-tjarita oerang dinja anoe tepi ka ajeuna sok djaradi omong, Soeltan Ageng téh tangtoe kagoengan deui gedong pendem anoe dieusi doeit, atawa radja barana anoe sédjén, anoe teu kapanggih tempatna, boektina tjeuk tjarita oerang dinja mindeng pisan aja toekang ngala laoek, boh anoe lintar boh noe ngetjrik, sok mareunang doeit, gebléngan pérak atawa emas kabawa koe heurapna, kawasna ajana éta goedang oeang di deukeut sisi Tjibanten, sarta lila-lila kasosok koe tjai, eusina kapalidkeun.

Sakoeloneun aloen-aloen aja solokan leutik, di dinja aja kénéh oeroet djambatanana témbok, baheulana mah oeroet sasak djoengdjoeng (sasak anoe beunang didjoengdjoengkeun). „Djambatan ranté” ngarana, anoe djalanna bras ka bénténg Speelwijk. Éta solokan baheulana mah woeloengan, roebakna k. l. 20 M., sarta djadi palaboeanana parahoe-parahoe (kapal) dagang, tapi ari ajeuna mah geus saeur, roebakna ogé kari 8 M. deui mah.

Aja samboenganena.



[ 26 ]

Goegoeritan pipilis istri goegoegah babar.

(Samboengan Poesaka Soenda No. 1).

IV. Saben ningal haté raos resmi,
ketir kelar tjampoer reudjeung soeka,
srangéngé toenggang goenoeng,
raatna hoedjan asar ahir,
kasoempegan téh moesna,
hampang ngemplong kalboe,
waas roes-ras lega tingal,
kalebetan koe pangemat élmoe demit,
kapintjoet raga soekma.
V. Henteu bénten panarikna istri,
anu anjar goegah ngowo téa,
geugeut honeng si tjarogé,
loemah-laméhna lemoe,
tjumantél sami katoembiri,
koe lajoeng kahibaran,
asal liwoeng woedjoeng,
andjeun djadi boengangang,
ginandjaran slamet rabi rawoeh baji,
timboel soeka noe aja,
VI. Soemelangna goemeterna pikir,
éling ka noe boga kakandoengan,
asal soempeg beurat haté,
neneda ka Jang Agoeng,
teu petot petot siang wengi,
diparin énggal medal,
dikaboelkeun maksoed,
sami sareng hoedjan téa,
sabadana méga méngléd langit bersih,
halégar titingalan,
VII. Awang-awang dipamikeun istri,
hoedjanna minangka bobot téa,
raatna lastari salsé,
brajna kasoekan kalboe,
hibarna lajung tjaangna pikir,
katoembiri panghias,
papaés pangiroet,
nambahan sari kasmaran,
panarikna ka ati woewoeh birahi,
landong pipilis téa.

__________


GOEGOERITAN PARANTI NJAWÉR.


Asmarandana.

  1. Sim koering njoehoenkeun widi,
    ka sadaja nu majoenan,
    badé njelang heula njawér,
    saméméh ngersakeun toeang,
    metakeun karasmian,
    galib talari karoehoen,
    toeroenan ti Nabi Adam.
  2. Metik galina nu alim,
    noelad pitoeah pandita,
    didamel Soendana baé,
    poegoeh poeloenganeunana,
    mangga kanggo lumajan,
    aja noe resep ngadangoe,
    tah kieu ieu oenggelna.

  3. Kinanti.

  4. Poen sampoen ka Sang Roemoehoen,
    ka Batara ka Batari,
    ka Batara Naga Radja,
    kasadaja para pohatji,
    ka Goeroe Ratoe sadaja,
    noe tjalik djadi tjandoli.
  5. Kaoelanoen amit ampoen,
    ka anioe kagoengan boemi,
    tobat kapara djoeragan,
    anoe sami pada soemping,
    noe lenggah di papadjangan,
    toea anom djaler istri.
  6. Répéh sadaja noe koempoel,
    noe njawér kaloeli-loeli,
    njawér moerangkalih soenat,
    noeroetan djaman bihari,
    lampah sepoeh baheula,
    njoehoenkeun salamet diri.
  7. Mentas ngaloeloeskeun lakoe,
    parantos ngabrangbrangkeun galih,
    moenjoeng ka iboe ka rama,
    ka nini sareng ka aki,
    ka bibi sareng ka paman,
    koe doeméh nembéan soemping.
[ 27 ]
  1. Tjoendoek badjoena ti timoer,
    dongkap atmana ti hilir,
    kengingna lantang ti pasar,
    beunang ngadjak samamargi,
    nja kénging ngandung iboena,
    ti kang rama awit nittis.
  2. Kawitan ti asal enoer,
    moelana asal ngadjadi,
    saboelan sang koempa herang,
    doea boelan koempa hening,
    tiloe boelan goeloeng rasa,
    opat sasih toeroen rohid.
  3. Lima sasih emboet-emboet,
    genep sasih bisa malik,
    toedjoeh sasih roh ka doea,
    dalapan sasih wahdati,
    ka salapan oedjang medal,
    nya soemping ka alam lahir.
  4. Loengsoer ti marga rahajoe,
    nja soemping ka margi boemi,
    soeméar di alam padang,
    soeka rama iboe nini,
    deudeuh djaja karantenan,
    pameget di kolong langit.
  5. Nangtoeng dina koewoeng-koewoeng,
    mipir-mipir katoembiri,
    njoekang dina tédja mentrang,
    njélékét di kilat tatit,
    pangawak hédjo tjaroelang,
    watek kaimpoengan wargi.
  6. Njekel di palias djoekoet,
    masing titih soegih moekti,
    mangka loeas beurat beunghar,
    loba doeit boentjir leuit,
    soegih keton réa ketan,
    salira djadian siwi.
  7. Seuweu ratoe kedah toemoet,
    putra mantri kedah tilik,
    nu agoeng linggih di radja,
    noe éndah lebah di goesti,
    dilingkoeng para djoewita,
    dibanding pra widadari.
  8. Goeroe ratoe koedoe toemoet,
    para wali noe ti gigir,
    iboe ramana ti tengah,
    ti poengkoereun sanak wargi,
    ti loehoer pra malaikat,
    noe ngabagikeun redjeki.
  9. Poeter koeroeng ti pangamboeng,
    boeloe bitis kawas pitjis,
    tapak djalak dina létah,
    radja kalang dina pipi,
    radjah wahana didada,
    satria djalantir koening.
  10. Noe nilik sakabéh woedjoeng,
    noe ningal sadaja asih,
    ngembeng pandjang boeboedina,
    noe loenggoeh mindag ti peuting,
    oelat manis ngembang méntjrang,
    midang siang anom sigit.
  11. Sinom

  12. Sekar bingbin langarian,
    sekar kalapa tjinoegi,
    sekar pinang di majangna,
    soekoer kamanjangan teuing,
    disawér koe béas koening,
    béas beureum anoe hoeroeng,
    koeningna kawas tédja,
    ditingalna langkoeng resmi,
    ngagoerilap hérang mani siga emas.
  13. Nabi Joesoep noe madjengan,
    disanding koe nabi Idris,
    digenggem koe Rosoeloellah,
    moeroeb sakoeriling diri,
    Nabi kabéh noe ngaraping,
    loenggoehna dina rahaju,
    djajana kamanoesaan,
    tjalik di sanggiang sakti,
    malaikat sadajana noe ngadjaga.
  14. Koe Djabrail disandingan,
    djeung malaikat Minkail,
    Isropil nja kitoe pisan,
    ngaraksa sakoejoer djisim,
    nitipkeun beurang peuting,
    ka sadaja noe kadeboet,
    kabéh para olia,
    sinareng ka para wali,
    moega nganti sampoerna doenja achérat.
[ 28 ]

Kinanti

  1. Pajoeng tiloe noengkoe-noengkoe,
    pajoeng toejoeh noe ngoeriling,
    pajoeng dalapan ngadjadjar,
    pajoeng salapan ngabanding,
    oelah katoengkoel ramana,
    sareng oelah boeret galih.
  2. Koedoe nganggit-nganggit kalmoe,
    kadah ngaraoskeun galih,
    noe njawér kedah sampoerna,
    supanten toembalna matih,
    panadjem oelah ditilar,
    bati dagang kedah bidjil.
  3. Oetjoetkeun popondén radjoet,
    pikeun toelak sial diri,
    malar tebih balaina,
    masingna parek redjeki,
    salamet pandjang joeswana,
    doegi ka alam noe lahir.
  4. Neda ma'loem tjoekoep loemoer,
    ka sadaya noe lalinggih,
    ieu anu njawér tamat,
    geura lebet moerangkalih,
    tjalikkeun di papadjangan,
    ondangan soemangga linggih.


Basa Soenda

Basa djadi tjitjiren bangsa

(Samboengan Poesaka Soenda No. 1)

  1. Basa indonesie (Kapoeloan Soenda, Malaka Filipina, Formosa, Madagaskar).
  2. Basa2 Melanesie (Mikronesie, poelo2 Bismark poelo2 Salomon, tji, Nieuw Hebriden, Nieuw tjalidonie sareng sabagian basisir Nieuw Goeinea)
  3. Basa2 Polynesia (Tonga, Sarmoa, Nieuw Zeeland, Tahiti, Hawai).

Basa2 di Halmahera kaler sareng basa2 Papoea, eta henteu kalebet kana bondoroyot Aoestronesie.

..........

Eta tedak basa2 Hindia di bagi djadi doea bagian:

I. Basa Aoestronesie, noe dibagi doeei djadi 3 pentjaran, nya eta;
A. Basa koelon:
  1. Golongan Soematra: basa Atjeh, Gayoe, Batak, Minangkabo, Malayoe, Mentawi, Enggano sareng basa2 di Malaka sareng Malagasi.
  2. Golongan Ddjawa: basa Soenda, DJawa, Madoera sareng Bali.
B. Basa Borneo, ieu basa loba sapatosna sareng Basa Koelon, seueur ngalana ka basa Wetan. Anoe kalebet ka dieu: basa iban, basa dayak-laoet, Kayan…sareng seueur2 deui.
C. Basa Wetan:
  1. Golongan Selebes: basa Gorontalo, Tomini, Toradja, Makasar, Boegis sareng sadjaba ti eta.
  2. Golongan Soembawa: basa Sasak, basa Soembawa.
  3. Golongan Soemba-Bima: basa Soembawa-wetan, Flores koelon, Soemba sareng Saboe.
  4. Golongan Ambon-Timoer: Basa Flores-wetan, Kei, Seram, Ambon sareng seueur2 deioe.
  5. Golongan Soela: basa Batjan, Halmahera-kidoel sareng sadjaba ti eta.
  6. Golongan Filipina: basa2 kapoeloan Filipina, Marennen, tjarolinen, Formosa-kidoel, Borneo-Inggris beulah kaler-wetan, Talaoed, Sangir, Bantik, Bentenan, Tonsea, Tomboeloe, Tondano, Tontemboan.
II. Sanes basa Aoestronesie
A. Basa Halmahera-kaler; dipakena koe oerang Halmahera-kaler, Ternate, Tidore sareng poelo2 loloda beulah kaler sareng kidoel, Raoe, Morotay sareng poelo2 noe aya toeroet2 basisir tobelo.
B. Basa Papoea di Nieu Goeinea. Eta basa2 ka bondoroyot Aoestronesie teu lebet, ka Aoestralia teu lebet, sareng binten2 pisan, dongkap ka tampolana oerang kampoeng ieu teu [ 29 ]ngartoseun kana basa tatangga kampoengna.[1]


POERADIREDJA.

Aya samboenganana.

  1. Ieu anoe ditjarioskeun geus aya pokokna, diterangkeun dina boekoe karangan toean van Eerde Inleiding tot de Volkenkoende van Ned. Indie.

Red.



Wawatjan Siliwangi.

(Samboengan Poesaka-Soenda No. 1)


Asmarandana.

  1. Doea panakawan ngiring,
    Tandesan djeung Papagratang,
    Radja Poetra nyaoer alon,
    Nimbalan ka Tandesan,
    Sia ayeuna miang,
    Teang adi Radja Soenoe,
    Adjakan ka Pangandaran.
  2. Tadi rea boedak balik,
    Batoerna oelin maroelang,
    Pagar diboeboerak kabeh,
    Reh eukeur ngintip titiran,
    Koe sia geura papay,
    Poma-poma sing katimoe,
    Iringkeun ka Pangandaran.
  3. Poen Tandesan nyembah amit,
    Miangna ngemban timbalan,
    Prok djeung Raden Patih amprok,
    Mariksa mana djoeragan,
    Tandesan nyembah oendjoekan,
    Poetra parantos ti payoen
    Moen ka doea Papagratang.
  4. Abdi kedah moelang deui,
    Ngilari Pamanahrasa,
    Soesoempit ka leuweung ganggong,
    Disaoer koe lenggah poetra,
    Sing kabantoen ayeuna,
    Lahir Raden Patih soekoer,
    Adjakan kahade gagal.
  5. Tandesan miang ngagidig,
    Neangan ka tipar reuma,
    Beh manggih saoerang kodompol,
    eusi aki djoeroe hoema,
    Koe oetoesan pok ditanya,
    Soegan mendak radja Soenoe,
    Ka saoerang nyimpang ngioehan.
  6. Tembal aki aya tadi,
    Tapi henteu koengsi lila,
    Ngoedag manoek ka beh kaler,
    Taroes poen Tandesan mapay,
    Tandesan nyembah mioendjoek,
    Goesti mangke heulaanan.
  7. Kaget Den Poetra ningali,
    Panakawan anoe dongkap,
    Mamang arek aya naon,
    Koela make disoesoelan,
    Kawas noe aya pereloe?
    Pioendjoekna poen Tandesan.
  8. Mila abdi gadag-gidig,
    Ngemban dawoeh kandjeng raka.
    Rehing bade rame-rame,
    Rek pesta di Pangandaran,
    Leuwi Si Patahoenan,
    Soekan-soekan bari moendjoeng,
    Gamparan dihatoeranan.
  9. Saling sanget raka asih,
    Henteu kersa pisan anggang,
    Ayeuna enggal diantos,
    Koe raka di Pangandaran,
    Radja Soenoe ngandika,
    Koela mah teu niat miloe,
    Mo moedja neang daradjat,
  10. Teu goena didahar deui,
    Da kaka noe pangsepoehna,
    Koela mah leutik keneh,
    Tangtoe oge djeung rama,
    Moal salah moal boa,
    Ka engkang ngadjoengdjoeng loenggoeh,
    Teu koedoe moendjoeng moemoedja.
[ 30 ]

KINANTI.

  1. Tandesan soedjoed toemoengkoel,
    noen Goesti sembaheun abdi,
    moegi oelah lepat sangka,
    estoe raka langkoeng asih,
    koetjara koe sanagara,
    kaboekti koe abdi-abdi.
  2. mashoer djadi kembang tjatoer,
    kadjoengdjoengan asih ka rai,
    ayeuna kersana raka,
    rek pesta di sisi tjai,
    tjoerak-tjoerak borak-borak,
    gamparan kedah kairing.
  3. Sanget Tandesan mioendjoek,
    pisembahna melas-melis,
    lamoen gamparan teu kersa,
    henteu kairing koe abdi,
    aloek abdi sim telasan,
    mangga beuheung abdi peuntjit.
  4. Pok ngadawoeh Radja Soenoe:
    Lamoen kitoe koela ngiring,
    ka kersana kandjeng raka,
    soemerah moal soemingkir,
    ngambangkeun sakarsa kakang,
    bral mangkat Raden diiring,
  5. Angkat salirana lesoe,
    wirasatna ngangres ngerik,
    koe Tandesan rek diemban,
    Raden nyaoer loengas-lengis,
    soemeblak teu raos galih.
  6. Toenda anoe keur loemakoe,
    nandangan loengse prihatin,
    katjatoer Asmoenalarang,
    anoe geus soemping ka tjai,
    sareng Patih Bandjaksoemba,
    soeka galih taki-taki.
  7. Den patih alon ngadawoeh,
    moen rempag djeung poetra adji,
    mangga geura nyoba-nyoba,
    samemehna soemping rai,
    manawi kadar iasa,
    nangging mangka ati-ati.
  8. Mama rek mawa parahoe,
    ngadjaga ti birit leuwi,
    bisi poetra henteu tahan,
    koe tjai kabawa palid,
    geura mangga nyoba ngodjay,
    didjoegdjoeg toegoe noe maranti.
  9. Sanggeus raden nampi woeroek,
    ladjeng nganggo-nganggo singkil,
    raksoekan sindjang diboeka,
    tjawet tjinde soetra wening,
    Raden patih geus nitihan,
    parahoe megat ti hilir.
  10. Asmoenalarang geus loengsoer,
    nyipta goeroe matek adji,
    mapatkeun poedjdji Hong Hiang,
    tjoendoek badjoe dewa asih,
    raga soekma kamadjaya,
    wisnoe djati ngemban mami,
  11. Soj ngodjay ti anoe lioeh,
    kagitik koe tjai tarik,
    leb ngoleab teu katingal,
    pandakawan djerat-djerit,
    goesti tiwas goesti tiwas,
    ngadjangkang ngoemboel di hilir,
  12. Rikat parahoena moeroe,
    toe Raden Patih dikeumbing,
    tisangga koe djoeroe welah,
    tekoer teu djadi balai,
    tandjat bisa katoeloengan,
    tentoee wani madjoe deui.
  13. Soemping ka saoeng ngadjentoel,
    Roemaos katjingtjirihi,
    adjrih isin tambah wirang,
    daradjat salira sisip,
    woewoeh tjoea ka raina,
    djoelig kasilir koe dengki.
  14. Koe raden Patih kamaphoem,
    Poetra pinanggih djeung adjrih,
    enggal dileledjar mamanah,
    Pangandaran radjeung djalir,
    mèntjog henteu sahinasna,
    totonden teu tangtos pasti.
  15. Nanging rea anoe loepoet,
    nadjan nyoekang ngodjay nepi,
    ari baloekarna gagal,
[ 31 ]
kersa nyoekang meuntas leuwi,
ari di lebet galih manah,
Sia modar tengah tjai.
  1. Raina alon hoematoer,
    adoeh kakang djisim abdi,
    henteu pisan aya niat,
    nyoba norah ngoedji diri,
    ningal waloengan oempalan,
    geunng nya lega nya tarik.
  2. Angot djalan pakeun wangsoel,
    nyoekang areuy tanding tjinggir,
    pandjangna ratoesan deupa,
    taya pakeun abdi wani,
    teu kadada teu dadoega,
    pikir abdi mangsar-mingsir.
  3. Keur kitoe Tandesan tjoendoek,
    Radja Soenoe noe diiring,
    enggal koe raka dipapag,
    prok amprok rai ngabakti,
    ka Raden Patih moendjoengan,
    lahir rama mangga linggih.
  4. Brak barang toeang ngarioeng,
    da ngadjarag geus sadjagi,
    satoetasna barang toeang,
    Asmoenalarang ngalahir,
    adi geura nyoba-nyoba,
    siram ngodjay dina leuwi.
  5. Meuntas ti kaler ka kidoel,
    kaka mah parantos tadi,
    estoe genah nanakeran,
    ngodjay silanglang marapti,
    ngan keur nyoekang rada lewang,
    sieun ngoleang tigoeling.
  6. Djeung inggis areuy ngadjeproet,
    tapina dipikir deui,
    sanadjan areuyna pegat,
    ragragna tangtoe ka tjai,
    ngan kaka tatjan ka goeha,
    engke bae eudjeung adi.
  7. Eta saoer noe sakitoe,
    Estoe medal tina djoelig,
    malar rai langsar manah,
    lir petangan kitoe deui,
    aya nyata aya tjidra,
    teu beunang disangka sidik.
  8. Moegi kakang tjoekoep loemoer,
    rehing abdi masih alit,
    karesep ngan ngadoe panggal,
    sareng boedak batoer oelin,
    pipir imah diboeroean,
    oelin teu djaoeh ti boemi.
  9. Rakana bendoe ngadawoeh,
    adi oelah nyingtjiringik,
    oerang teh toeroenan radja,
    tedak terahing perdjoerit,
    wedalan radja prawira,
    terah tetesan narpati.
  10. Digadang ngadjadi ratoe,
    oelah miris ati djerih,
    mapan ieu Pangdadaran,
    lain pakeun djalan pati,
    moen bisa tambah daradjat,
    moedja moendjoeng nyangking diri.
  11. Rai ngalengis hoematoer,
    tjisotja merebes mili,
    doeh goesti padoeka raka,
    sim abdi sanget teu wani,
    reh lain bakal keur radja,
    teu madjing ngadjadi adji.
  12. Rakana ngagoedoeg bendoe,
    ngodjengkang arek ngabanting,
    Patih Bandjak Soemba rikat,
    Radja Soenoe noe ditjangking,
    lahirna ih engke heula,
    oelah wara moerang-maring.
  13. Pamanah Rasa diwoedjoek,
    koe saoer noe titih rintih,
    diwoeroekan dioepahan,
    oedjoeng mangka gilig ati,
    ayeuna lakonan heula,
    toeroet kersa raka adji.
  14. Wayahna seug geura loengsoer,
    siram ngodjay tengah leuwi,
    ti kaler teroeskeun meuntas,
    ka toegoe kiara djadid,
    moelang mapay areuy nyoekang,
    mama ngadjaga ti hilir.
  15. Den Anom doeg nyoeoeh soedjoed,
    oengsrak-ingsreuk ngangis leutik,
    nyoengkem ka pangkon oeana,
[ 32 ]
nyambat ka iboe rama Dji,
adoeh iboe pileuleuyan,
poetra iboe poepoes hidji.
  1. Doeh Dewa noe Maha Agoeng,
    doeh goesti Resi Batari,
    moegia amba ditingal,
    paring pitoeloeng oeang Widi,
    ginandjar rahmat sapaat,
    titis toelis maha soetji.
  2. Toetas nangis moesna lesoe,
    kasilih roeat djasmani,
    rap dangdan nyingsetkeun sindjang,
    saboek soetra tjinde wilis,
    sapanganggo teu dilaan,
    kongkorong mas deukeut koening.
  3. Geulang kangkaloeng teu oetjoel,
    anggoan tjara sasari,
    saboek tjinde sindjang soetra,
    dangdanan anoe maranti,
    angoan-anggoan kasatrian,
    tjinde diboelat-dibeulit.
  4. Soeroep kaloengsoeran wahyoe,
    Raden nganggo geus tarapati,
    moendjoengan heula ka rama,
    mandjat ka sang Keukeumbingan
    ka rakana kitoe deui,
    hatoeran tanda pang hormat,
    pangbakti tawis rek amit.
  5. Toeloey Radja Soenoe loengsoer,
    ka kiara sisi tjai,
    welas sadaya noe ningal,
    Patih tjaritjing ti hilir,
    nitih raket pamegatan,
    Den Anom antjroeb ka leuwi.
  6. Soy ngodjay ka toegoe kidoel,
    ti kaler mimiti nyewik,
    badis kawas engkang-engkang,
    teu kalis koe tjai tarik,
    sakolepat Raden dongkap,
    noedjoe toegoe nitih pasti
  7. Noe ningal kantoen gegetoen,
    digdjayana moerangkalih,
    nyoekang gampang lir maranti,
    di tengah seg oetjang-oetjang,
    itjal lewang sirna miris.
  8. Rakana toengkoel djamedoed,
    ningal tandang tangting rai,
    kawas lain samanea,
    teu lami raina soemping,
    loengsoer tina keunkeumbingan,
    medek ka rahaden Patih.
  9. Saloengsoerna ladjeng moendjoeng,
    rakana engal ngalahir,
    adi aya milik diri,
    tjatjapkeun prak geura sira,
    di poeseur lelenging leuwi.

Aja samboenganana.


Pihatoer Redaksi


Djoeragan-djoeragan anoe parantos dikintoen Poesaka Soenda No. 1, namoeng henteu ngawangsoelkeun deui Poesaka Soendana, ieu ajeuna dikintoenan deui nomer 2—3, sareng teras dilebetkeun djadi langganan, margi sakoemaha anoe parantos kaoengel dina P. S. nomer hidji, jèn soegri anoe henteu badè ladjeng ngalanggan, kedah ngawangsoelkeun Poesaka Soenda No. 1 tèa.

Ka para Djoeragan anoe parantos ngintoenkeun serat pamoendoet djadi langganan, sareng ka sadaja anoe ngarodjong ngadeudeul kamadjenganana P. S. boh ngempelkeun pilanggananeun boh maparin karangan eusikeuneun kana P. S. anoe djadi Redaksi oendjoek pinten-pinten noehoen.

Di tempat-tempat anoe teu atjan aja anoe ngaloeloegoekeun kana tambihna langganan P. S. koe Redaksi sanget diadjeng-adjeng pitandagna para Djoeragan di èta tempat. Moegi sadajana kersa ngaliarkeun ngawawarkeun ieu Poesaka Soenda.

Kadjabi ti èta, sinarengan Poesaka Soenda ieu, Redaksi ngintoenkeun postwissel kosong, anggoeun ngintoenkeun artos langganan Poesaka Soenda sataoeneun.

__________