Poesaka Soenda 1924-08-3(02)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1924-08-3(02)  (1924) 

[ 17 ]

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

:-: JAVA-INSTITUUT  :-:

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT: – SALEMBA 28 – WELTEVREDEN


Eusina P. S. No. 2.

Pihatoer Redaktie katja 17
Boepati Soenda moenggah hadji " 18
Babad Kian Santang kenging A. Ganda Prawira " 19
Panaloengtik kaajaan Djawa baheula " 24
Baheula " 28
Salsilahnna Radja-Radja Padjadjaran " 28
Ngalana " 29
Ngadjadjah Pasoendan " 30
Saembara " 31


Pihatoer Redaktie.

Ti ngawitan P. S. ieu, redaksi baris njanggakeun kagegelan ka para langganan sadaja, hatoer loemajan pikeun tatali karaketan galih sangkan oelah kamalinaan dina batjatjar keuna koe renggang, enggoning ngagoear poesaka warisan loeloehoer Soenda. Ieu ajeuna kasanggakeun potrét Radén Adipati Aria Wiranatakoesoemah Kangdjeng Boepati Bandoeng, anoe nembé rawoeh ti Mekah. Anoe mawi diheulakeun, réh biasa oerang sok merloekeun ngaras ka anoe nembé moelih ti hadji, peupeuriheun djongok oerang téh henteu tina kahalangan koe anggang téa. [ 18 ] Engké ka pajoen baris ditoengtoet potrétna para boepati anoe sanés sareng para boedjangga kokodjo Soenda dilebetkeun kana Poesaka Soenda pikeun tawis sotja.

Boepati Soenda moenggah hadji.

Radén Adipati Aria Wiranata Koesoema nembé rawoeh moelih djarah ti Mekah. Henteu kantos lima sasih lamina andjeunna njelang ngantoenna damel, geusan njoemponan kaperloean moenggah hadji téh.

Koe lantaran aja Boepati anoe njepeng kénéh damel djengkar ka Mekah — ieu téh sajaktosna perkawis anéh . . bet koering kahoedang kana émoet ka alam 3 taoen kapengker nalika Kangdjeng Pangéran Aria Soeria Atmadja, Dalem Soemedang pangsioen djarah ka Mekah téa.

Koering émoet kénéh basa sakotji kagoengan Gongsol nengah madjoe ka kapal, rék mapag pangagoeng noe nembé rawoeh.

Kangdjeng Pangéran loengsoerna kana tangga anoe parantos disajagikeun tawis kahormatan (statietrap), katingal loengsé pisan, malah kiwa tengen disangkéh, nanging wiloedjeng teu sawios-wios loemebet kana sakotji, ladjeng linggih kedah digandjel koe bantal, nja kitoe deui Djoeragan Dipati (Dalem Istri).

Koe margi sakotji njewoek katebak angin ngageleboeg, dongkap ka déngdék, Kangdjkeng Pangéran teu iasa toemaninah tjalikna, kedah bari rada nagog, nangankeun anjeun nahan salira, atoeh teu kinten ripoehna, sakitoe mendoeng dipadjengan, soepaja oelah kapentrang teuing koe panas anoe sakitoe ngentak-ngentakna.

Rawoehna ka darat parantos njondong anoe mararapag, djamaah anoe darongkap ti heula, malah pangagoeng anoe ti Boeloengan téa ogé djeung garwana aja harita di dinja, nja ladjeng angkat njatjat kinten saparapat djam lamina, dina keur noedjoe panas poé mentrang-mentring pisan.

Kangdjeng Pangéran kasawatna madjeng kana senang, malah éndjingna mah katingal teu aja sawios-wios. Tilas tadi ngaraos palaj dina kapal sakitoe lamina, toer salira eukeur teu damang, kawoewoeh koe saoem anoe sakitoe leketna, atoeh sakalintang ripoehna, nanging ajeuna katingal kantoen senangna.

Nalika njarios sareng sim koering, teu siga-siga anoe mentas atawa eukeur teu damang, éstoe tatag perlenté pisan, njarioskeun pamendakna perkawis kaajaan Tanah Hindia dina taoen-taoen anoe ahir. Sareng anjeunna ngadadar anoe diadjam koe manahna tina roepi-roepi atoeran anoe baris dioendjoekkeun ka radja Mekah, soegri anoe kagalih pimangpaateun ka djamaah-djamaah, nja babakoena pisan ka djamaah oerang Soenda, sarta engké di mana anjeunna geus moelih ka Djawa, baris dioendjoekkeun ka Pamaréntah.

Isoekna deui panoengtoengan koering tepang sareng Kangdjeng Pangéran, toenggang mobil kagoengan Radja Mekah. Saméméh éta mobil ngambah sagara keusik, di mana engké geus ngaliwat gapoera Madinah (Medinapoort) nja lirén heula di pajoeneun Kagongsolan, teu tebih ti katja-katja téa. Kangdjeng Pangéran nganggo anggoan ihram, sarta teu lirén ngaos "manasik" basa Soenda, anoe diserat koe aksara Arab, nja éta toedoeh djalan ka Tanah Soetji.

Saparantos andjeunna ngoenggoet maparin tabé ka koering, dek deui baé ngaos kitab téa. Teu lami mobil geus ngadioes, keboel moelek pengkereunana kawantoe njorang djalan keusik. Harita téh anjeunna pamit pédah badé papisah, ari sihoréng bakal patilar ngantoenkeun ka moektén doenja deui. Margi sakoemaha anoe parantos kaaroeninga koe sadaja, teu lami deui ti barang anjeunna rawoeh ka Mekah, ladjeng kapioehan, lantaran teu kiat koe hawa, réh harita di dinja keur noedjoe oesoem panas pohara pisan. Heuleut sadinten sawengim Kangdjeng Pangéran poepoet joeswa moelih ka Kalanggengan. [ 19 ] Kangdjeng Raja Hoesein metakeun hohormatan tawis ngagoengkeun ka anoe poepoes, nja éta nimbalan Militér sareng pagawé Masdjidil Haram ngiring ka koeboer. Sadaja djamaah oerang Soenda harita pada ngiring ka koeboeran deui.

Samoekawis anoe koe Kangdjeng Pangéran Soemedang parantos diadjam bakal didjalankeun dina salebet andjeunna djarah ka Mekah téa, henteu iasa kalaksanakeun.

Éta kahojongna anoe sakitoe agengna nja dibeuratkeun ka para boepati nonoman anoe joeswa keur meumeudjeuhna, anoe bakal djararah ka Mekah. Salah sawios tina éta anoe sasat kapasrahan téa, nja Kangdjeng Dalem Bandoeng ajeuna, anoe ... potrétna dilebetkeun kana Poesaka Soenda.

Kangdjeng Dalem Bandoeng angkatna ka Mekah dina mangsa anoe mingsal ti biasa. Nja éta dina waktoena kaagoengan karaton Mekah katjida nambahanana, réh parantos sataoen Radja Hoesein bin Ali ngadeg Chalief, sareng sawangsoelna ti éta ninggang mangsa djamaah kataradjang katjida kasangsarana, kabalangsakna langkoeng-langkoeng ti sasari, lantaran koe réa-réana anoe maroenggah hadji (Ti Hindia Nederland sareng ti Malaka woengkoel djoemlahna djamaah aja 48000 djiwa).

Sadajana parantos aroeninga jén Kangdjeng Dalem Bandoeng, Rad. A. A. Hadji Moeharam[1] sababaraha kali ditampi ngadeuheusan koe Radja Mekah, malah matak boengah pisan pédah anjeunna koe Radja parantos dipaparin bintang anoe pangloehoerna, anoe biasa djadi gandjaran ti karadjaan Mekah.

Koe margi pangaoelaan Bandoeng parantos seueur anoe kaoeninga sareng andjeunna parantos ngiring ngarandapan kasoesahanana perdjalanan djamaah, boh di djalanna boh di Tanah Soetjina, pamoegi-moegi baé éta loeangna téa tiasa ... ka oerang dieu.

Émoetan koering kawas pimangpaateun oepami sadaja pamendak Kangdjeng Dalem Bandoeng téa koe anjeunna ladjeng diboekoekeun, basa Soenda anoe bakal pikahartieun koe djelema loba.

Henteu kedah inggis, bilih padjar ngabolékérkeun rasiah-rasiah di ditoe, da sadaja ogé di Hindia pada terang koemaha kaajaan di Tanah Soetji téh.

Koe margi anoe kagoengan karangan, (Dalem Bandoeng) ngiring ngarandapan kasangsaraan téa, geus sasarengan sareng djamaah anoe réboe-réboe, katoeroeg-toeroeg anoe tangtoe oeninga leres kana sabab-sababna pang moenggah hadji koe oerang dieu katjida diloehoengkeunana, sanadjan sakitoe waloeratna sakitoe sangsarana, geus moal boa pépélingna bakal aja tapakna, sarta bakal ditaroeroet piwoeroekna, naon anoe koedoe disingkahan dina enggoning ngalampahkeun moenggah hadji téa.

Panoetoep ieu karangan disarengan koe pamoegi-moegi, soepaja Kangdjeng Dalem Bandoeng iasa ;aksana ngadjalankeunana damel anoe bangga téa, maparin obor, geusan njaangan atina anoe rék maroenggah hadji sapengkereun andjeunna, sanadjan ngan oekoer ka djelema-djelema anoe ti sawewengkon kaboepaténna woengkoel ogé.

E. G.

Weltevreden, Augustus 1924.

Babad Kian Santang
kénging A. Ganda Prawira.

Djisim koering noewoen paraloen amit njatoerkeun galoering tjatoer lalakon anoe baheula, kenging mĕtik tina babad noe geus disĕrat koe boedjangga djaman koena, nanging hĕnteu dijajaj dipandjang-pandjang satjĕplekna noemoetkeun babad tea, kawantoe itoe mah wawatjan geus tangtos djalanna tjarios poengkal-pengkol kababantoen koe patokan dangdingan, koedoe noeroet kana lagoe ninggang kana wirahmana, ieu mah oerang boedjĕng enggalna bae ngarah ringkĕs teu matak kĕsĕl noe maos. [ 20 ] Anoe badé ditjarioskeun di dieu raratan wawatjan, nja éta lalakonna Praboe Kian Santang. Kawasna... [ 21 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/5 [ 22 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/6 [ 23 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/7 [ 24 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/8 [ 25 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/9 [ 26 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/10 [ 27 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/11 [ 28 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/12 [ 29 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/13 [ 30 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/14 [ 31 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/15 [ 32 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/16 [ 33 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/17 [ 34 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/18 [ 35 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/19 [ 36 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/20 [ 37 ]Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/21

  1. Kabiasaanana hadji-hadji téh di Mekah dilandi koe ngaran anjar, pada dibaréré piagemna noe ditanda koe Moefti Imam Sjafiie. Nanging Dalem Bandoeng mah sanés dilandi koe djenengan anjar, ieu mah saparantos djadi hadji téh mageuhan djenenganana keur moerangkalih.