Poesaka Soenda 1922-09-1(03)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1922-09-1(03)  (1922) 
[ 33 ]

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

:-: JAVA-INSTITUUT  :-:

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT,
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT: - GOENOENG SARI 84 - WELTEVREDEN

Eusina Nommor 2.

Oenak-anik basa Soenda 33
Ngamimitian ngadegkeun Tjabang Java-Instituut di Djogdjakarta 34
Pasoendan 36
Sair Sunda 37
Basa boehoen 38
Sawér anggoeun ka pangantén 39
Biantara 43
Wawatjan Siliwangi 44
Piharoer Redaksi 48

Oenak-anik basa Soenda beunang ngoempoelkeun Soeriadiradja

(Samboengan Poesaka-Soenda No. 1)

  1. Kabolér. Toekang tani katjida sieunna sawahna kabolér teh, sabab wiwirang gedé makaja katinggaleun téh. Anoe aja dina harti toekang tani, kabolér téh nja ngan kapandeurian ngagarap sawah baé, batoer geus tandoer, ari ieu kakara matjoel. Ari asalna mah pantes pisan koedoe dipikasieun, lain koedoe dipaké kaéra, sabab bolér téh ngaran hama, anoe sok ngaroeksak paré atawa boeboeahan sédjén. Djadi sieun kabolér téh asalna mah, sieun tinggaleun makaja sabab bisi engké pakajana béak koe bolér.
  2. Reregan ajeuna mah dilandi koe gardéng (gordijn), asalna tina rérég hartina ngésér.
    Baheula mah biasa njeboet: panon poé ngarérég ngidoel, ngarérég ngalér. Djadi rérégan téh hartina anoe beunang dikésér-késér, anoe beunang disérélék-sérélék.
[ 34 ]
  1. Meudjeuhna lain tina eudjeuh dirarangkénan na, tapi tina medjana asalna tina madijama (Skr), hartina tengah-tengah at. sedeng.
  2. Karageun, hartina mah sadaja ogé parantos oeninga. Asalna tina karag hartina aron, tjangkaroek, sangoe at. ketan beunang noehoerkeun. Karageun teh djadi kasakit lantaran koe karag.
  3. Darana, biasa sok ngantét djeung sabar. Asalna tina dharana (Skr) hartina teteg haté, pageuh njekel bebeneran, tahan.
  4. Pandjoenan, tempat paranti njieun barang gagarabah. Asalna tina djoen (Kw) hartina boejoeng at. gentong. Andjoen sok dihartikeun toekang njieun barang gagarabah tea.

Aja samboenganana.


Ngamimitian ngadegkeun Tjabang Java Instituut di Djogdjakarta.

(Samboengan Poesaka-Soenda No. 1).

Reglement.

1

Tjabang ngitoengna tahoen mimiti nepi ka 31 December 1921, sarta sateroesna ti oenggal 1 Djanoeari nepi ka 31 December.

2

Maksoed Tjabang, baris ngamadjoekeun wewengkonna tina soegri anoe kaoengel dina oegeran (Statuten) Java Instituut, artikel 3. [ 35 ]

3

Anoe djadi elid Tjabang Djogdja nja éta elid-eli J. I. elid kahormatanana djeung anoe geus diangken koe J. I. anoe maratoeh di Karesidenan Djogdja.

4

Goegoer kaelidanana ti Tjabang lamoen:

  1. Kaloear tina pakoempoelan Java Instituut.
  2. Pindah ti Karesidenan Djogdjakarta.

5

Soegri elid Tjabang, meunang asoep kana gempoengan-gempoengan, tongtonan- tongtonan dj. s. t. anoe diajakeun koe Tjabang.

6

Anoe djadi Bestuur Tjabang nja éta, hidji voorzitter, hidji Secretaris-peningmeester djeung sakoerang-koerangna 3 elid. Lamoen Voorzitter aja halangan disoendang koe salah sahidji elid bestir anoe panglilana. Ngadjenengkeunana Bestir Tjabang téh dipilih koe vergadering, oenggal taoen koedoe eureun kabéh, tapi beunang dipilih deui.

7

Bestir meunang ngajakeun vergadering elid, lamoen aja peméntana tiloe elid sakoerang-koerangna.

Soerat béwara baris ngajakeun koempoelan téa, sakoerang-koerangna ti pisaminggoeeun deui, koedoe geus diémbarkeun dibarengan koe ringkesan anoe rék dibarempoegkeun.

Poetoesan koempoelan noeroetkeun sora anoe panglobana. Dina ngoendi perkara-perkara meunang koe lisan, tapi djelema mah koedoe dioendi koe toelisan anoe teu ditanda.

Lamoen baloeh dipoetoesna koe oendian deui.

8

Basa dina koempoelan biasa, anoe dipaké basa Walanda, aja kadjabana, lamoen katimbang djeung kaidinan koe vergadering.

Meunang ngajakeun koempoelan loear biasa, anoe basana noe dipaké basa Djawa, sarta dina soerat béwarana koedoe dioengelkeun.

9

Doeit anoe katampa ti Java-Jnstituut, atawa anoe torodjogan katampa koe Tjabang ti anoe sédjén, digoenakeun kana ngawaragadan kaperloean Tjabang. Lamoen Tjabangna koebra, baris dipasrahkeun ka kas Java-Instituut.

10

Soegri anoe matoeh di karesidenan Djogdja anoe lain elid, teu meunang miloe Koempoelan, iwal anoe geus aja idin poetoesan Vergadering. Tapi anoe lain oerang Djogdja mah, meunang lamoen aja idin Bestuur.

11

Soegri anoe atjan kaoengel dina reglemen, dipoetoes djeung ditangtoekenana koe bestoor.

Poetoesan anoe djadi bestuur meunang dibawa kana Vergadering, lamoen teu sapoek.



Ieu anoe kaserat di loehoer, étang-étang tjonto, jén di Djogdja parantos ngadeg Tjabang Java-Instituut. Pamoega-moega djadi panghoedang kana toemoeroenna Tjabang di Pasoendan, margi koe sadaja tangtos kamanah, jén koe H. B. moal tiasa laloeasa dihontalan ti anggangna, oetami dirodjong koe pangolahna Tjabang. Tjing ajeuna oerang anggo saémbara, di mana di dajeuh anoe mana di Pasoendan, anoe pangmimitina ngadeg Tjabang Java-Instituut? Sadajana tangtos pada kawaranan, hajang geura terang di mana Tjabang J. I. pangheulana gelar!

Antos-antos baé!

Red.

[ 36 ]

Pasoendan.

Ti mana asalna ari bangsa Soenda?

Ieu pertanjaan soesah didjawabna. Tatapi sanadjan soesah ogé oerang tjoba2 baé, soegan djeung soegan, sapoek djeung manahna para boedjangga.

Lamoen hajang nganjahokeun bangsa2, koedoe kanjahoan heula basana. Koe lantaran dibanding-banding basana, engké beunang dikira-kira ti mana asalna éta bangsa.

Pirang2 ketjap Soenda anoe saroea atawa méh saroea djeung basa2 sédjén di Hindia, tjontona:

AKOE. Kawi, Malajoe, Soenda, Dajak; Batak, AHOE.

ANGIN. Kawi, Malajoe, Soenda, Dajak; Batak.

ANAK. Kawi, Malajoe, Soenda, Dajak; Makasar, Madoera.

INOEM. Kawi, Malajoe (minoem), Soenda, Batak (minoem), Mak. (nginoeng).

djeung salian ti éta. Ketjap2 anoe kieu oepama dikoémpoelkeun tangtoe aja ratoes2.

Koe sabab éta oerang bisa njangka jén sakabéh bangsa noe njitjingan tanah Hindia tadina sadapoer.

Sangkaan para boedjangga sakabéh bangsa2 anoe njitjingan poelo2 Insoelinda (saenjana poelo2 anoe aja sakidoeleun poelo Formosa, sakaléreun Nieuw Zeeland, sawétaneun Madagaskar, sakoeloneun Paasch-eiland), kadjaba oerang Papoea djeung oerang Negrito, asalna ti Hindia toekang, nja éta ti Cochin China, Kambodja djeung Annam.

Tangtoe aja hidji waktoe anoe ngalantarankeun djelema2 di dinja patamboear ka mana2, toeloej njitjingan poelo2 Insoelinda. Oepama éta bangsa2 tadina henteu hiroep sakoemboeh, tangtoe moal aja ketjap-ketjapna noe saroea.

Djaman baheula pisan poelo Diawa téh diseboetna Noesa Kendeng. (Kendeng hartina kendang; kendang bangoenna pandjang; djadi Noesa Kendang hartina poelo pandjang).

Ningal boektina ajeuna, moal gagal djelema2 Noesa Kendeng tea aja tiloe boeboehan.

Noe saboeboehan njitjingan Djawa koelon, noe saboeboehan Djawa tengah djeung noe saboeboehan deui njitjingan Djawa wétan djeung poelo Madoera.

Waktoe éta sémah2 daratang, di Noesa Kendeng geus aja noe njitjingan diseboetna siloeman-sileman, onom sétan, djoerig atawa jaksa, tapi ari boektina mah meureun bangsa djelema noe leuwih bodo. Éta pangeusi asal teu aja pisan kakawasaanana.

Éta noe tiloe boeboehan noe aja di poelo Djawa tea nja éta karoehoenna oerang Soenda, Djawa djeung Madoera.

Bangsa Djawa djeung bangsa Madoera teu aja katjaritakeunana rapih-henteuna. Ngan bangsa Soenda salawasna gétréng baé djeung bangsa Djawa. Nepi ka aja waloengan ngaran Tjipamali pikeun neundeun piheuleut, noenda pitjela, bangsa Djawa djeung Soenda.

Lamoen salah saoerang aja noe wani meuntas ka tanah batoer, geus oelah ngarepkeun salamet baé.

Saenjana harita tatjan aja ngaran Soenda, sabab noe mimiti njieun ngaran Soenda teh oerang Hindoe Keling, noe pangheulana datang ka Noesa Kendeng (poelo Djawa).

Saoer ahli basa, Soenda téh asal tina basa Sangsekrit Wasoenda hartina kebon doenja barana. Ninggang naker oepama dihartian Soenda, soegih téh, lain soendel.[1]

Sababna diseboet soegih, taksiran koe lantaran sagala djadi, tanahna léndo, tjai teu koerang, tanah lega, ninggang naker kana tjatjandran dalang: pandjang poendjoeng, pasir woekir, Ioh djinawi. [ 37 ]Tapi doeloer2! Oelah waka imoet koe sakitoe, geura manah mamalana, lantaran teu soemorẻang ka toekang ninggang ka noe salantjar mah matak djadi balangah, nambahan katalingeujan, toengtoengna kairik batoer.

Dina mimiti taoen Masehi Noesa Kendeng the geus kamashoer ka awoen2 kakotjap ka boeana Europa, jẻn soegih koe bẻas; koe sabab ẻta lawas ti lawas toeloej koe oerang Hindoe dingaranan Jawadwipa. Jawa (Djawa) hartina bẻas; dwipa hartina poelo. Djadi Jawadwipa = poelo bẻas. Ngaran Noesa Kendeng lila2 leungit.

Waktoe soedagar2 Hindoe balajar rẻk dagang ka nagara Tjina, sok njarimpang heula ka Djawa koelon djaung Djawa tengah basisir kalẻr, nja ẻta rẻk mareulian bẻas.

Beuki lila poelo Djawa beuki masher, nepi ka oerang Hindoe keeling, teu kamapeuh, toeloej baẻ balajar sedja ngoembara ka poelo “sawarga” nja ẻta poelo Djawa (kira 2 windoe ka 2 atawa ka 3).

Oerang keeling anoe matoeh di Pasoendan agamana agama Wisnoe, aja ogẻ anoe agama Brahma. Di nagarana (Hindoestan) djelema 2 dibagi 4 martabat.

Martabat pang loehoerna Brahmana nja ẻta bangsa pandita2.

Kadoea : Satria (Ksjatrija) nja ẻta bangsa mẻnak 2 ahli peperangan djeung pamarẻntah nagara.

Katiloe : Waisja nja ẻta bangsa tani soedagar djeung patoekanagn.

Kaopat : Sjoedra nja ẻta bangsa koeli 2 djeung boedak beulian.

Noe ka 1 ka 2 djeung ka 3. Katjida ngahina ka noe ka 4.

Oerang Pasundan harita diasoepkeun kana martabat ka 4.

Oerang Pasoendan djeung oerang Hindoe dina mangsa harita beunang disebut papaharẻ hiroep.

Aja ogẻ oerang Pasoendan anoe bias noeroetan pangabisa oerang Hindoe, oepamana tina perkara ngabatik. Tapi boeatanana tangtoe gorẻng kẻnẻh pisan. Toelisna ogẻ ngan oekoer hideung, beunang neuleum ka taroem, da taroem mah teu koerang, dating ka aja waloengan anoe dingaranan tjitaroem, sabab ajana dina tempat anoe rẻa taroemna. Waktoe ahrita oerang Hindoe njieun nagara leutik, nagara anoe pangheula-heulana di poelo Djawa ngaranna:


TAROEMA NAGARA

Nja ẻta anoe ajeuna djadi karesidẻnan Batawi (teu makẻ Krawang); watesna ti kalẻr: Laoet Djawa; ti wẻtan Tjitaroem; ti kidoel goenoeng Salak, goenoeng Gedẻ; ti koelon Tjisadanẻ.

Ngadegna ẻta karadjaan antara windoe ka 4 djeung windoe ka 5.

Radja noe marẻntah nya ẻta toeroenan Radja Poernawarman. Dajeuhna ẻta karadjaan bias djadi di sisi Tjisadanẻ dina palebah mimiti beunang diparahoean, antara waloengan Tjianten djeung Tjiaroeteun (sẻlẻrna Tjisadanẻ), deukeut djalan Tjilendẻk, koelon-kalẻr ti Bogor.

Didinja kapanggih aja batoe 2 ditoelis basana basa Hindoe baheula, njaritakeun ngaran 2 radja djeung karadjaanana.

Handjakal ẻta ngaran Poernawarman henteu diterangkeun asal-oesoelna.

Kawasna baẻ bawaning koe masher, nepi ka oenggal djelema tangtoe njaho, djadi teu peloe seboetkeun deui.

Baris disamboeng.

P.


Sair Soenda.

(beunang ngoempoelkeun R. Hassan Soema di Pradja).

1. Laomoen niat lalangganan,
perdjangdji pasisisnian,
poma oelah ngalawanan,
noe matak menungpeuk angkanan.
2. Lamoen koerang keorang tjangker,
mangkẻ di hareupna soeker,
ngabangloeskeun hal kapêngkêr,
tiwoen sinigeg kakêkêr.
[ 38 ]
3. Koedoe milih noe kaoengang,
mangkè badami boengangang,
lamoen ngalawanan èngang,
soesah awak nja tjèlengang.
4. Indit oelah roesoeh gantjang,
bisi gantjang matak pintjang,
mèmèh djoeng koedoe diroentjang,
koedoe tjara èntjang-èntjang.
5. Oelah dèk tjara koekoepoe,
djasmani didjieun sapoe,
ngadjoegdjoeg seuneuna lampoe,
gèdèboeg njawa kapoepoe.
6. Ari dèk dioek sing apik,
bisi aja noe kaheumpik,
lamoen kira bakal roempik,
pangdioekan doedoe tampik.
7. Koedoe tjara hap-hap sila,
mèmèh gèk digedag heula,
bisi aja geusan tjela,
anoe matak narik bahla.
8. Ari omong koedoe adil,
koedoe niron-niron bedil,
mèmèh pok geus gerendil,
raratjik samèmèh bidjil.
9. Oelah tjara hajam djago,
kokotak hajang diogo,
ditimboel nomro ngadjogo,
deuk loemampah gè ngarogo.
10. Oerang hiroep koedoe mikir,
sakoeatna imah pipir,
sakadarna anoe pakir,
pigeusaneun mangkè njingkir.
11. Oelah teu poegoeh ngoelinting,
koedoe niron ka papanting,
amrih tiis beuran peuting,
teu halangan poelang-anting.
12. Oelah dèk tjara njiroean,
mindèng pisan kahoeroean,
anak banda dirawoean,
koe anoe boga boeroean.
13. Lamoen mangih soeka boengah,
sing èling oelah balangah,
oelah djongjdon baè ngangah,
alamat manggih sangengah.
14. Ka kolot oelah dèk siloeng,
oelah niroe anak angkloeng,
ana njapa matak lingloeng,
terkadang sok toeleoey paloeng.
15. Ka kolot noe taja harga,
doraka geus poegoeh djaga,
di doenja gè mo djamoega,
ngoelinting soesah koe raga.
16. Noe anom sing harti poma,
bisi badag nja tarima,
kanjaahna iboe rama,
henteu pegat salamina.
17. Geus poegoeh keur leutik kènèh,
nadjan bisa mawa manèh,
kolot mah ngan njaah anèh,
sapandjangna hèman sanèh.
18. Kanjaahna soenggoeh-soenggoeh,
tjara pasirihan toenggoe,
anak dèk njaba dipoenggoe,
bisi aja anoe ganggoe.
19. Manoesa ogè maloeloe,
lamoen anak rieut hoeloe,
atawa bahla ngaheloe,
kolot tangtoe miloe-miloe.
20. Ngan lamoen anak noe nandjoeng,
kolot langka ngaboeboedjoeng,
rek nèjang tara roesoeh djoeng,
ngadoenga tambah ngadjoengdjoeng.

(Baris disamboeng).


Basa Boehoen.

(Samboengan P. S. No. 1).

31. Koe na raga kasangsara,
lahin koe twah salina begig,
boerantja mo ngala waja,
mo hateu heroheunnana.
diba moha hiri dengki.
35. Ka sakali makejanna,
ngira ngiraning ti bati,
mara leka ngoetak ngoetik,
noepoe maling papadjingan,
makejan tjara wĕrĕda.
[ 39 ]
40. Deu dingin deu pada djalma
njotrakan deueun njapahhan
mo kojo ngadjoek ngaraheh
ngahoetang hanteu dek marajna
pakeuna dek meunang boga
45. Sagoe dapoer tjatjarekan
gelo pangasanga gelarkeun
koe na sawoeng badjet
na sagoe hirawari
da dipipameunang tjaroet
50. Sare rago rawa
hiri dengki pajojana
twah mo kalemekan patiti
mantjawoera hateu aja
dikasemaänana jata
55. Bogoh ngotjoho meredjo
njangsara ka pandita
ngawiiwrang ngawiwilah
hateu wedi koe pamali
hamo barang.
60. Hamo takoet koe tjadoe
sakitja noemagawe sapa
kasodaän sang pandita
hateu sija liwat inja.
65. Noe mapakan rabi larang
ngasoepkeun rabi ti loewar
ngala hoelandjar ti hoema
reja poetri njijar deuhi
teu ageus dipanjijeupkeun
ngahoeloenkeun tanpa teboes
70. Ngadengda noe tanpa dosa
………… hateu kadjinah
hanah ing poenowidjaja
moelah sija dèk kapoehoenna
hajeuna mah kalijassan.
75. Keuna koe na pantjagati
oelah soerah laboeh kawah dikeueuman
koe sang jama hadipati
pameunang noe gawè hala
magihkeun boemi patala.
80. Si do na deu sama
moeroeb, moetjar pakatonnan
dipareuman hateu meunang
dorana leuwih sadeupa
djalanna sadeupa sisih[2]

Aja samboenganana.

Red.


Sawẻr, Anggoeun ka Pangantèn.


1. POEN ampoen amit paraloen,
ka loehoer ka Sang Roemoehoen,
ka handap Sang Batara,
ka Batara ka Batari.
2. Batara poeraga jasa,
nagara Toendjoeng Wirasa,
Kahijangan Sanoerasa,
pamoeroedan pra’manoesa.
3. Batari poeraga djati,
kahijangan rasa djati,
bangbalikan diri boekti,
medal poedji pangabakti.
4. Ka Goesti Rob’boel Izati,
noe kagoengan machloek pasti,
Fil ardi was’samawati,
toedjoeh lapis langit siti.
5. Koedrat moetlak hak ing Goesti,
saeusina noe binoekti,
pid’doenja wal' achirati,
hoerip sarawoeh djeung pati.
6. Baeu! banget noe garandang,
geulis gandang jasa midang,
lendjang loemenggang toemandang,
eukeur lendjang aloes tandang.
7. Noe kasep ge taja tanding,
soeroep digendeng dibanding,
koe parakadang ngadingding,
sami ngadjaring noe ginding.
[ 40 ]
8. Woer mawoer parantjah doejoeng,
paraboen Batara Oejoeng,
Pohatji sangiang Woejoeng,
Koeroengan aoeb tangtajoeng.
9. Emas mirah sari koening,
pèlètna Sangiang wening,
sawenang-wenang ngahening,
poeraga si oenang-aning.
10. Oenang-aning poesakana,
oenang-aning panganggona,
Panganggo sa parantjahna,
parantjah dongdonannana.
11. Dongdonan kabalakaan,
nja balik ka bir’rachian,
bir’rachi kasoegemaan,
soegema ti kasoekaan.
12. Wit Njai nja’patoelalis,
mèmèh ditoelas ditoelis,
mèmèh ngarèka noe geulis,
indoeng bapa keur wiwilis.
13. Wiwilis samining asih,
sabobot sabinokasih,
silih asah silih asih,
tjampoeh djiwa sanoeringsih.
14. Bapa meta indoeng woejoeng,
di dinja paraboen doejoeng,
tata peta sorong dajoeng,
padjoearan tempat woejoeng.
15. Woejoeng aloem kaseliran,
kaselir ka paboearan,
paboearan pang wedaran,
ngawedarkeun panasaran.
16. Panasaran panasari,
panas raga panas diri,
panasna ki nafsoel'amri,
sarina kamoeri-moeri
17. Moeri-moeri rasa SIRna,
da SIRna WADI MADIna,
MANIna dieung MANINGKEMna,
MANINGKEM nja, manoesana.
18. Balik ka si’bangbalikan,
sindir Njai sapokpokan,
rasakeun sindir soeloekan,
soeloek sasaka tjitakan,
19. Tjitakan nja'iboe rama,
njitak lain koe oepama,
teu kawasa iboe rama,
ngan ngajoega sa’lalama, ,
20. Sa tjara tjiri tjaina,
tjara tjahaja sotjana,
tjara tjarita tjangkemna,
tjiri tjitjiren dangoena.
21. Hakking Nja Koedrattoelah,
gelarna njai teu salah,
ka doenja kabir noe nelah,
dioeroes saparipolah.
22. Koe iboe Enoeng noe pasti,
didjaga toerta goemati,
dibakti dipoesti-poesti,
dipiratoe dipigoesti.
23. Anak ing poepoedjan ati,
njaah teh mang keti-keti,
ngan Njai anoe dipoesti,
estoe tikawit ngaboekti.
24. Andjog nepi ka ajeuna,
taja babandingannana,
leuwih tidoenja barana,
estoe sabobot boewana,
25. Kersa Allah noe kawasa,
leuwih asil ka manoesa,
anak ing pandjang nja mangsa,
sing eling agama esa’ !
26. nja Agama Islamoe'llah,
Moehammadar’rasoeloel’lah,
jen Islam papagon Allah,
tanda manoetan jèn kalah.
27. Lampahkeun papagon sara,
noe perloe teu kira-kira,
Sallat noe lima perkara,
prak lampahkeun koe salira,
28. Haram makroeh koedoe tjegah,
da mo matak djadi seunggah,
oelah kéna-kéna gagah,
bedeyong taja panjegah.
[ 41 ]
29. Di lahir tempat ichtiar,
èlmoe toengtoet doenja siar,
sangkana moelja goemelar,
nja koedoe loba panalar.
30. Da Goesti mah sipat moerah,
geura seug oerang paparah,
dadamelan noe geus njarah,
koe Apa anoe kadjarah.
31. Tètèla jèn pangatoeran,
sagala damel pangèran,
aja gedong matak hèran,
gedè loehoer nanakeran.
32. Henteu aja papadana,
gedong kitoe poharana,
santosa dangdananana,
sagedè goenoeng pakoena,
33. Bisi padjar rahoel doang,
tah! ieu Alam noe lewang,
boengangang nja awang-awang,
teu karana modal oeang.
34. Adegan djagat pohara,
henteu kalawan kosara,
tapi dangdanan njalira,
djadi sagala perkara,
35. Teu kalawan parabot bas,
teu maké balioeng rimbas,
tatapi ngadjadi bèbas,
Koedrat-iradat noe nebas.
36. Oerang sing lantip pikiran,
tètèla damel Pangèran,
teu aja noe matak hèran,
koedoe soekoer nanakeran,
37. Mahloek mah ngan tampa ngeunah,
goemelar nitihan tanah,
taja kasalempang manah,
dangdanan pageuh djeung ngeunah.
38. Keur ngeunah dangdanan saë,
tambah tjaang oenggal poë,
„OBORAN noe beureum hèdjo,
mamrih oerang awas néndjo.
39. Soemangga oerang laladjo,
eusi doenja oerang djodjo,
„OBORAN noe beureum hèdjo,
mamrih oerang awas mèndjo.
40. Mimiti oerang pelesir,
koedoe mapaj heula pasir,
mamrih awas ka basisir,
eusi doenja sing kataksir.
41. Masa Allah Alam doenja!
eusina mani ngaleuja,
roepa saniskara aja,
Goesti Allah Ieuwih kaja.
42. Keur kaja asih djeung moerah,
eusi doenja njajeud njarah,
Goesti tèh taja pangarah,
ngan keur machloek oenggal sirah,
43. „OBORAN” bari tingalan,
euleuh! geuning tjoetjoekoelan,
tina boemi baridjilan,
noe areujan noe tangkalan,
44. Pirang-pirang nja goenana,
hasilna kabina-bina,
akar, tangkalna, beutina,
kembangna reudjeung daoenna.
45. Warna-warna boeboeahan,
tina tangkal tina dahan,
ti noe ngareuj baroeahan,
Goesti Allah tèh moerahan.
46. Rasa boeah bèda-bèda,
amis pelem haseum lada,
Pangeran welas katjida,
soepaja manoesa neda.
47. Kanjataan leuwih pisa,
nganggo boengkoes pageuh pisan,
boengkoesna araloes pisan,
bisi roeksak kareumisan.
48. Anoe lantjip dipalirè,
hèran lain djorè-djorè,
geus poegoeh mah èta parè,
boengkoesna teu dimomorè.
[ 42 ]
49. Laoek warna-warna loba,
sapi moending embè domba,
hajam meri rendang njaba,
damel Allah anoe moerba.
40. Keur manoesa dadaharan,
loba manoek haliberan,
manoek leutik nanakeran,
ditjawisan koe Pangèran.
51. Geus poegoeh mah manoek bango,
soekoena sagedè django,
orakaja njieun tongo,
peudjitna wani molongo.
52. Tobat Goesti matak weksa,
leuwih radjin leuwih jasa,
poegoeh ngadamel manoesa,
tèlèla Allah kawasa.
53. Dipanonan disoengoetan,
dileungeunan keur njokotan,
soekoe keur angkat-angkatan,
boeat leumpang loeloempatan,
54. Djalma gadoeh dampal soekoe,
dipaké leumpang loemakoe,
saoemoer hiroep ngabakoe,
tapi pageuhna natakoe.
55. Awak oerang matak hèran,
dangdanan damel Pangèran,
roejad rèjod lalonggèran,
tapi pageuh nanakeran.
56. Wantoe dangdanan noe sakti,
noe radjin leuwih ti misti,
ari taroempah mah pasti,
dikaroet gè mindeng ganti.
57. Dina manah oelah salah,
èlingkeun ka Goesti Allah,
raga oerang tan’pa polah,
oesik obah kersa Allah.
58. Ieu „OBOR” noe diserat,
geus TERANG pikeun ibarat,
moen toeroet ka kitab soerat,
senangna doenja ahèrat.
59. Njandak „OBOR” tangtoe awas,
koedoe lenjep koedoe was-was,
lamoen teu pertjaja tiwas,
noe matak hantem tarawas,
60. Hiroep di doenja teu lila,
di doenja loba mamala,
moen poèk nja tangtoe bahla,
koedoe tjegah lampah ala.
61. Sakitoe ngawangwang basa,
diatoer sabisa-bisa,
soepaja djadi karasa,
oelah mangmang asa-asa.
62. Panoehoen noe ngarang patwa,
rèh gadoeh sangkaan boa,
boa teuing dipitjoea,
koe sadaja anom toea.
63. Manah oelah kadinjana,
doemèh sahandapeunnana,
oemoerna miwah pangkatna,
moeng lenjepan soerasana.
64. Pami aja noe pitoea,
soemawon ti bangsa toea,
sanadjan ti noe saroea,
oelah rèk dianggo tjoea.
65. Oepami tatjan kapendak,
sanadjan oerang noe oendak,
moal matak beurat moendak,
anggoer sakalian poendak,
66. Nadjan pinter mapatahan,
namoeng kedah dipageuhan,
sok radjeun kabalangahan,
mawi dimoesawarahan.
67. Keur pinter kabinangkitan,
diwoewoeh koe noe ngingetan,
woewoeh tebih kaloepoetan,
ageung nja kasalametan.

ATMAJOEDA.

(Hulpschrijver Kaboepaten Bandoeng).

[ 43 ]

Biantara.

(Tina Djawa No. 3. tahoen 1 Karangan H. S. d. P.)


1. Dangdanggoela didamel pèpèling,
rèk miwoelang nandakeun kamèlang,
ka anak anoe pangantèn,
batan omongan pantoen,
woengkoel ketjap teu djeung katjapi,
djadi saroepa-roepa,
dèk moeroek mitoetoer,
nganasèhatan ka oedjang,
tina ama reudjeung iboe boengah ati,
soeka taja hinggana.
2. Réhna Oedjang eudjeung Enok njai,
ditikahkeun djeung pada karepna,
lain beunang ngarerepok,
kolot mah ngan djoemoeroeng,
samboeng doenga moegi lastari,
loeloes-roentoet teu bantat,
sing asih saloeloet,
ngeunah reungeu ngeunah tingal,
lambat-lamboet pandjang doeriat sarimbit,
kebat gedè daradjat,
3. Eta kitoe paneda ka Goesti,
noe kawasa noe moerba wisèsa,
noe moerah ka machloek kabèh,
sarta sapaät Rasoel,
noe diselir Pamoengkas Nabi,
sarta sanget neneda,
ka para loeloehoer,
moega loentoer berekahna,
ka baroedak anoe geus djatoek karami,
doeh poma pisan Oedjang.
4. Eling èling koe pikir ilaing,
kabèh woelang anoe mikamelang,
djeung bodjo oelah rek bendèng,
Koedoe sing loeloes-roentoet,
laki-rabi sing loeloes-loeis,
oelat getas hareuras,
sok matak teu oeroes,
moen noeroetkeun napsoe keras,
djadi was-was sok regas taja kainggis,
leungit ichtiar tiwas.
5. Ka bodjo tèh mangka welas asih,
koedoe pisan silih pikahèman;
pasemon koedoe sing bèrès,
oelah koesoet ngoeloewoet,
omong oelah ketjoet djeung kesit,
koedoe oelat marahmaj,
soepaja toemoeloej,
loeloes kana kahadèan,
djeung bodjo tèh sing malar djadi sarimbit,
di doenja di achèrat.
6. Nadjan soegih emas pèrak doeit,
moen teu roentoet reudjeung pamadjikan,
ngoelajaban baè hatè,
loepoet anoe dimaksoed,
moal djadi rahajoe diri,
alamat teu djamoega,
saoemoerna hiroep,
lain tina kabeungharan,
anoe matak djempè hatè tiis pilkir,
ngan roentoet saäleutan.
7. Reudjeung perloe moenggoehing salaki,
mapatahan ka bodjona tèa,
adab panatan awèwè,
dioek nangtoeng loemakoe,
tata-titi mangka kasoerti,
tingkah polah babasan,
sarta tindak-tandoek,
oelah sok tindak ngadadak,
sarta woeroek ngakoe tamoe titih rintih,
sing sarèsèh somèah.
8. Poma-poma rèk kaboeroe sengit,
ka bodjo tèh moen aja salahna,
anoe teu soeroep djeung hate,
naon noe teu panoedjoe,
pèk waktjakeun sina kaharti,
loepoetna pamadjikan,
koedoe leukeun moeroek,
djeung koedoe gedè hampoera,
reudjeung koedoe woeroek naon anoe wadjib,
parèntah hoekoem sara.
[ 44 ]
9. Ngan sakitoe nja mèrè pèpèling,
henteu pandjang dapon dipilampah,
sanadjan piwoeroek pondok,
lamoenna bisa noengkoes,
meureun djadi rahajoe diri,
karasa mangpaätna.
Insja Allah loeloes,
sarat teu moengpang piwoelang,
Adoeh oedjang poma masing èling-èling,
kana kahèman sepah.


Aja toeloejna.


Wawatjan Siliwangi.

Samboenganana. No. 2

111. Radén Anom kerén loengsoer,
ngaboedjeng telenging leuwi,
horéng raka papan kemat,
matek goetoek menoer poedji,
gendam panangtang boehaja,
ronghéap boehaja poetih.
112. Boehaja gantjang dioetoes,
njamber noe siram di leuwi,
sang boehaja mangap-mangap,
Radén Anom geus katjangking,
nanging njangking ganti sembah,
njangking tawis rék ngabakti.
113. Boeaja koempoel ngarioeng,
isin adjrit liwat saking,
ting karépot tanda hormat,
ngawisik adjining demit,
adji roma kasileman,
ageman panggeugeuh leuwi,
114. Noe di darat soerak seroe,
soeka galih tanpa tanding,
Papagratang djeung Tandesan,
koedoe djogéd Djadoed Djadid,
paréntah timbalan soerak,
tawis Pamoenah lastari.


SINOM.


I15. Noedjoe ramé Soesoerakan,
Dén Anom bidjil ti hilir,
medal diiring boehaja,
sadaja kagét teu harti,
raka ketjoet boedi kesit,
tina bendoena pok njaoer:
Geuning diiring boeaja,
boeaja ti mendi manggih,
hiap bawa oerang retjah soegan ngeunah.
116. Pamoenah Rasa ka darat,
handjat tina birit leuwi,
boehajana mamandapan,
Rahadén Poetra geus linggih,
Ti Raden Patih teu tebih,
linggih loenggoeh timpoeh,
Dén Banjak Soemba ngandika:
Ama boengah liwat saking,
awak bagdja waloeja meunang boehaja.
117. Sina retjah koe baroedak,
loemajan sina dipeuntjit,
soegan arék diharakan,
Pamoenah Rasa ngalahir:
Sanés mawa rék dipeuntjit,
boehaja béla toemoetoer,
datangna soeka sorangan,
éstoe karepna pribadi,
tawis asih ka abdi njarengan moelang.
118. Moal moelang kaniaja,
noe asih dipoelang sengit,
Sang boehaja tanpa dosa,
Radén Patih kéndel galih,
tina sanget teu ngarti,
[ 45 ]
ningal woedjoed noe geus poegoeh,
ngodjaj tjara éngkang-éngkang,
njoekang dina areuj leutik,
kawas njata lain boedak samanéa.
119. Boehaja geus sina moelang,
ka Radén amitan balik,
Kotjap Dén Asmoenalarang,
ningal rai leuwih sakti,
mana peurih mingkir sedih,
ka rama oendjoeng hoematoer,
mangga oerang ka goeha,
njatjapkeun tjiri noe boekti,
ladjeng djengkar sadaja ka Pasaleman.
120. Goeha atra katingalan,
loengkawing djero nangtawing,
di handapna mah teu awas,
poék mongkléng boeta radjin,
ti loear noe katingali,
aja areuj hidji lemboet,
ngambaj geusan toengtoeroenan,
Asmoena Larang ngalahir:
Geura djadjal adi asoep ka djerona.
121. Radja Soenoe tjoemalimba,
adoeh engkang téga teuing,
soemangga baé telasan,
abdi pasrah bakti pati,
asoep abdi aringgis,
miris gimir teu kaoentoep,
Asmoenalarang maksa,
raina keukeuh teu wani,
kek ditjerek rék dipaksa koe piroesa.
122. Rék dibalangkeun ka goeha.
Pamanahrasa djoemerit,
atoeh engké heula engkang,
da abdi téh boedak leutik,
moal baha moal boedi,
nadjan Iain boedak timoe,
lain boedak kasangsara,
éstoe poetra rama Adji,
mangké atoeh abdi badé dangdan heula.
123. Ladjeng Radja Soenoe dangdan,
sindjang soetra tjindé singkil,
kangkaloeng kongkojang emas,
pinggel disigsetkeun deui,
sanggeusna tarampil ringsig,
salira aloem kajoengkoen,
Pamanahrasa nalangsa,
moerangkalih ngerik galih,
tjisotjana reumbaj medal disoesoetan.
124. Perbawa sabar darana,
soemerah ka takdir Goesti,
anggang manah ngarasoela,
ka raka oendjoekan amit.
engkang abdi badé titip,
wangsit wiat kangdjeng iboe,
saréh tadi noedjoe gerah,
kadoea titip poen adi,
Radja Poepoek anoe masih kénéh boedak.
125. Rakana ngandika njentak,
montong teuing djadi ati,
teu goena dipikamelang,
kawas djoelig gindi pikir,
noeding djail silib dengki,
anggoer ka goeha geura soep,
iatna Pamanahrasa,
satoetasna njambat Goesti,
ngagoentajang loemebet ka djero goeha.
126. Goerantil goegoerawilan,
mapaj-mapaj areuj leutik,
poék mongkléng boeta rata,
deudeuh anoe keur prihatin,
koe raka diarah pati,
toetoeg tepi ka toengtoeng,
Rahadén dongkap ka handap,
atra awas katingali,
ngagoléndang sinar tjaang djero goeha.
127. manah hémeng salin rasa,
raos asoep ka djro nagri,
ningal pirang-pirang djalma,
[ 46 ]
ramé anoe wara wiri,
Kotjap Sang Radja Djin,
Kagét nigali noe rawoeh,
andjeunna njambat mariksa;
Ieu manoesa ti mendi,
tara-tara aja djalma anoe datang,
128. Radén roeméndjag manahna,
ngawaler hormat djeung titih,
tatag oetjap poetra radja:
Noen rama séwoe pangbakti,
menggahing djisim abdi,
tedak wedalan ti Galoeh,
ngaran poen Pamanahrasa,
rama adji mangkoe nagri,
noe katelah ratoe agoeng Padjadjaran.
129. Menggah sim abdi ajeuna,
koe doeloer diarah pati,
abdi pang ka dieu dongkap,
didjeroem noe djoelig dengki.
Atoeh koe radja Edjin,
radén digeuwat dipangkoe,
disambat didama-dama,
adoeh emas deudeuh teuing,
sabar baé da moal djadi tjilaka,
130. Lamoen oedjang disangsara,
koe noe djail djoelig dengki,
nandasa rék nganiaja,
ajeuna ama ngawaris,
djimat ageman edjin,
tanwandé djin pada anoet,
heh ieu oedjang tampanan,
adjianana sakali,
ladjeng Radén diwirid élmoe kadjinan.
131. Geus apal adjianana,
miwah djimat geus katampi,
ladjeng sareng barang toeang,
katoeangan roepi-roepi,
anoe amis noe goerih,
toeang leueut goenem tjatoer,
satoetasna soekan-soekan,
djin ka Radén ngalahir,
Moen geus hajang hadé oedjang geura moelang.
132. Dina manah Radén Poetra,
aja dina goeha lami,
raos-raos geus moelanan,
diaping diasih edjin,
dipirig soeka galih,
nembé didjoeroeng wangsoel,
pangira panjeta manah,
raka rama geus maroelih,
réh geus lawas di goeha aja boelanna.
133. Sanggeus ditimbalan moelang,
Radén poetra njembah amit,
angkat mapaj djalan dongkap,
ahéng horéng poék deui,
soesoer sasar tjara tadi,
tjara dina waktoe asoep,
kotjap noe aja di loear,
radja poetra sareng patih,
areuj alit pamoentangan dikadékan.
134. Nanging henteu daék pegat,
pakarang taja noe mahi,
gobang pedang henteu teurak,
keris badi komo deui.
Tandesan nampi tampiling,
Papagratang djamedoed,
réhing areuj henteu pegat,
Asmoenalarang sér miris,
ningal rai bidjiIna goegoerawilan.
135. Radén Soenoe handjat medal,
koe raka arék dibanting,
rék ditelasan koe pedang,
pedang direboet koe patih,
bari ngalahir bengis,
bet kawas lain djeung doeloer,
kawas tedak koeritjakan,
tinggal tata titi soerti,
arék téga nelasan doeloer sorangan.
[ 47 ]
136. Sadaja djengkar ti goeha,
ka papajon geusap balik,
Pamanahrasa ngalimba,
toengkoel poengkoereun Dén Patih,
manah langkoeng prihatin,
sakemék teu pisan njaoer,
ngomah-ngomahan amarah,
ningali boedi parangi,
ketjoet kesit pasemon oelat rakana.
137. Ébréh atra dina raraj,
teu kénging dipinding-pinding,
soerah oelatna katingal,
kedal oetjap lirik sengit,
ngandika raka ka rai,
éh ajeuna radja soenoe,
lamoen rék noeroet ka kaka,
awak koedoe geura njingkir,
ingkah anggang ka tanah nagara lian,
138. Lamoen baha henteu njingkah,
ajeuna ogé lastari.
Pamoenahrasa oendjoekan,
gentra tatag mangkring galih,
émoet ka piwoeroek djin,
sabar darana teu napsoe,
saoerna koemaha kersa,
moal baha abdi ngiring,
rék diboeang soemangga abdi mah pasrah.
139. Asmoena Larang ngandika:
Papagratang manéh indit,
geura ngala geugeutahan,
noe tjepel keket noe dalit,
leugeut nangka kelewih,
sing meunang salodong pinoeh,
ari sia Tandesan,
njieun areng keler djati,
ditoetoean ditipoeng sing lemboet pisan,
140. Doea pandakawan mangkat,
ngala geutah noetoeh djati,
Tandesan djeung Papagratang,
ting keletjis ngomong leutik,
abong djoeragan dengki,
ka sadérék téh bet kitoe,
hadéna Pamanahrasa,
digdjajana leuwih-leuwih,
moen ngalawan doenoengan oerang kasoras.
141. Sanggeus, ngomong silih témpas,
Tandesan noetoehan djati,
Papagratang ngala geutah,
dioeleg datangka dalit,
Tandesan geus sajagi,
areng enggeus djadi tipoeng,
teroes disanggakeun pisan,
geutah sareng leboe djati,
pék ditjampoer leugeut keler digalejan.
142. Sanggeus dioeleg geutahna,
djeung areng geus djadi hidji,
Radjasoenoe dibaloeran,
saloear salira lantis,
tina raraj kana birit,
lamboet poengkoer kabéh pinoeh,
hérang-hérang kari sotja,
sareng waos mah beresih,
hideung lestreng salirana kawas gagah.


[ 48 ]

Pihatoer Redaksi

Djoeragan-djoeragan anoe teu atjan langganan, moegi enggal njeratan moendoet langganan Poesaka-Soenda, margi moeng njitak 1000 (saréboe). Tangtos pisan anoe moendoet sapandeurieun nomor saréboe, moal iasa énggal nampi Poesaka Soenda, sakoemaha pihandeueuleunana!

Koe margi éta disoehoenkeun pitandangna para Djoeragan anoe parantos langganan, moegi kersa kernaalah, ngawartosan ka para kantja sareng mitra, soepados sina énggal njareratan ka Redaksi P. S. maroendoet djadi langganan, margi meh séép toetoep 1000.

Oepami kaporotan, moal ngiring goembira moeka pependeman Soenda.

Pawis mitjinta ka mitra, enggal sina réjék ngiring ngagoear Poesaka-Soenda.

  1. Pirang-pirang kirata anoe nerangkeun hartina Soenda tapi mana anoe enja, éta teu atjan aja anoe tiasa mastikeun. Malah koe réana noe ngirataan tea ogé, éta geus djadi tawis soelitna nitih pasti. Dina tjarios-tjarios basa Sangskrit ari ketjap anoe béléké oenina Soenda mah, moeng kapendak dina ngaran doea Jaksa, anoe dina dongéngna pada perang, nja éta anoe saoerang ngaranna Soenda, anoe saoerang deui Oepasoenda.
  2. Edjahanana ieu basa boehoen, satjeplẻkna anoe di toeroen.