Poesaka Soenda 1922-07-1(01)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1922-07-1(01)  (1922) 
by Pagoejoeban Java Instituut
[ 1 ]

PIHATOER KA SADAJANA.


Ieu serat kabar lahir ka doenja, djadi panjamboeng tjatoer ngèmbarkeun — sorana Soenda. Ti barang Loetoeng kasaroeng dipedar koe pakoempoelan Java Instituut, poesaka wedalan Soenda anoe mèh kalem kapendem, broeh-brèh miloe kagoear, katjapangan koe wahjoena Soenan Amboe, anoe toemoeroen ka pakalangan Pantja-tengah Pasoendan. Èbrèhna soegri anoe djadi boekti boekana sigotaka Soenda, nja dina ieu serat kabar, pibariseunana. Nja ieu anoe baris djadi pamelaran, pangdadaran saniskara poesaka titinggal karoehoen di djaman boehoen, djeung anoe baris naloengtik latjak kabinangkitan anoe masih ajeuna eukeur ditintjak. Doepi anoe baris pingoengkabeun djeung anoe pinjoektjroekeunana kaitoeng perentoel, kokodjo Soenda geus rendang di oenggal tempat, nja arandjeunna anoe kedah ngoemboehkeun sadaja panemoe poesaka èlmoe anoe masih batjatjar di mana-mana, sina moengpoeng moengpoeloeng sangkan liar tina sasoengapan, sarèrèa walatra kabagi rata, sanak kadang anoe bakal pingoendanganeun.

Djisim koering teu seunggah teu wegah ngamoedi ieu serat kabar reugreug pageuh nja hate doer-pertjaja ka para mitra sadaja

Geus teu ad-ad teu asa-asa, henteu hamham-hamham atjan, menggah koering mah, tangtoe ieu serat kabar the bakal djadi padoemoekan poesaka Soenda, njoemponan karep Java Institut djadi silah anoe sakoelah-sakolih djeung sadaja oeerang Soenda.

Anoe ieu kapintonkeun nembe tjonto bae, engke ari saladjengna mah eusina oge baris diatoer deui, sing oelah doegi ka matak ganggarateun noe maraos

Laksana sapanedja

Redactie

__________

. . . . . . . . . .

S. H.


Para djoeragan-djoeragan djeung toean-toean noe djadi pangoeroesna java institut, serat kabarna noe kaloear tiloe boelan sakali, anoe maksoedna ngahoedangkeun soepdja elmoe djeng karadjinan oerang priboemi noe baheula bisa timboel deui ajeuna atawa noe aja ajeuna bisa leuwih aloes tibatan asalna tadi tjeuk basa walanda mah koedoe aja cultuur, geus ngamanahan baris ngaloerkauen eta serat kabar dina basa soenda noe saroepa ieu, lantaran noe ajena parantos berdjalan basana basa djawa sareng walanda. Koes sabab basa soenda gede ambahanana hartina djadi sorana hidji bangsa noe diseboet oerang pasoendan, sigana perloe oge diajakeun soerat kabar noe saroepa kitoe dina basana pribadi, oepaja kradjinan bangsana bisa meres diadji koe maranehanana doa basana sorangan. Lamoen sanggeus kaloear ieu warta aja 1000 piaboeeunnana tangtoe bisa dikaloearkeun anoe noeloej. Koe sabab eta tja lian sadkaoela ngadjak soepaja loeba oerang pasoendan noe ngalanggan kana ieu serat kabar. Geura moal gagal deui bae loetjoena moeka pependeman karadjinanana karoehoen oerang pasoendan.

Salamna,

Boepati Bandoeng

Tg. A. Wiranatakoesoemah.

__________

[ 2 ]

Langlajang Domas

Dina tjarios pantoen aja lalakon Radèn Moending Laja di koesoemah, angkat ngambah mèga malang, arèk njandak Langlajang domas, anoe didjaga koe Goeriang toedjoeh, ajana di sadjabaning langit. Roepina èta tèh siloka, da ahli tèa bangsa oerang mah kana soeloek djeung siloka tèh.

Koe Rad. Moendinglaja di Koesoemah, èta djimat poesaka tèh nadjan aja di sadjabaning langit, teu boeroeng disoesoel teu boeroeng didjoegdjoeg. Ajeuna ngalap berkahna, ieu poestaka minangka Langlajang Domas, loengsoer badè ngagoear ngagelar soegri poesaka anoe djadi poepoendèn Soenda. Moegi-moegi baè ieu panglajang masing tiasa ngalaksanakeun maksoedna djadi mitra sadajana.

Redactie.



PATILASAN RADJA DJAKA SOESOEROE DI KARADJAAN TANDJOENG SINGOEROE

(Tina Djawa No. 2 tahun II. Karangan R. Moehamad Enoh, disundakeun ku Soeriadiradja)



Samèmèh djisim koering njarioskeun lalakonna Radja Djaka Soesoeroe, djisim koering badè njarioskeun heula asal-moeasalna anu mawi tiasa nangènan jèn di distrik Tjirandjang, dèsa Soekarama, kampoeng Tjisere, aja patilasan djaman Padjadjaran.

Dina tahoen 1919 djisim koering dijadikeun Opzichter Irigasi di apdeling Tjiandjoer. Babakoena anu jadi gawè tèh, nuhurkeun (nyaatkeun) tanah padataran Tjihèa, supaja ulah rèa teuing kasakit, da sadaja pada oeninga jèn Tjihèa tèh hawana awon enggon moeriang.

Parantos sababaraha kali djisim koering ngaronda toeroet-toeroet solokan Tjihèa tepi ka Tjisokan, tapi lebeng teu aja saoerang-oerang atjan anoe njarioskeun jèn di dinja aja patilasan jaman Padjadjaran. Kawasna ku oerang dinja mah èta patilasan tèh teu dipikaanèh, anoe matak tara dipakè omong.

Dina tahoen 1920, kabeneran koering koedoe ngabersihan torowongan solokan Tjihèa ti K.M. 0, nepi ka K.M. 1,200. Di palebah K.M. 1,100 sabot keur ngaso, bari ngioehan handapeun tjaringin, koering ningal aja doea koeta. Barang ditanjakeun ka koeli-koeli noe harita ngararioeng di dinja, saha nu njieun èta koeta, naha irigasi, naha keur ngamimitian digawè njieun djalan Soekarama, atawa koemaha. Ari djawabna geus ti baheula, irigasi mah ngan njieun jalan rondaan baè woengkoel dina lolongkrangna antara koeta jeung koeta deui.

Toeloej èta djelema njarita, jèn di dinja tèh baheulana mah oeroet karadjaan, malah èta ogè „bèntèng” tèh nja patilasan baheula. Ari radjana djenenganana Djaka Soesoeroe, anoe mawi èta tempat nelah nepi ka ajeuna Soesoeroe.

Tapi barang disoesoel-soesoel èta djelema boentoe kanjahona, ngan sakitoe-kitoena, ngan manèhna mèrè pitoedoeh, jèn koering koedoe nalèngtèng ka pantoen, da ngan pantoen anu pinjahoeun téh.

Di oenggal pilemboeran anoe deukeut-deukeut ka dinja koe koering ditatanjakeun soegan aja pantoen anoe njaho lalakon Djaka Soesoeroe, tapi welèh teu mendak. Karèrèaanana mah pantoen-pantoen tèh teu njarahoeun lalakon Djaka Soesoeroe mah, aja anoe dikira pitabaheun kana lalakon èta, geus maot, ku moeriang manawi.

Mèh tètèr tina nanja ka ieu ka ieu tèh teu aja noe terang, aja ogè saoerang-saoerangeun pantoen anoe njaho saeutik-eutikeun, tapi tjangtjaja, tina tjaritana henteu leunjeuran.

Kaleresan basa koering laladjo Kongres Java-Instituut taoen 1921 di Bandoeng, kènging bongbolongan jèn Koentjèn [ 3 ]

Batoedjamban sareng Leuwidjamban di Tjisokan.
Goepitan Tjisokan caket aloen-aloen. Benteng koeta djaman karadjaan Djaka Soesoeroe.
[ 4 ]Tjipanas deukeut Tjisambeng di Radjamandala, katjida tabahna kana carita-carita pantoen, sarta pibisaeun njaritakeun lalakon Djaka Soesoeroe.

Kalawan pitoeloeng Djoeragan Tjamat Bodjongpitjoeng, kawadanaan Tjirandjang, èta Kuntjén Tjisambeng disaoer ka Katjamatan, disina njaritakeun lalakon Djaka Soesoeroe téa.

Ari tjaritaanana anoe kakoeping koe djisim koering harita; kieu:


Lalampahan DJAKA SOESOEROE radja di nagri Tandjoeng Singoeroe

Lalampahan Praboe Djaka Soesoeroe noe ngadamel karaton di Tandjoeng Singoeroe, anoe ajeuna kasebut Bobodjong Tjisoeroe, di dèsa Soekarama onderdistrict Bodjong Pitjoeng district Tjirandjang afdeeling Tjiandjoer.

Ieu oeroet nagara tempatna santosa pisan ti kidoel ti koelon djeung kalèr dikoerilingan koe tjai ngaranna waloengan Tjisokan, sarta ti kidoelna ngadingding goenoeng, diseboetna goenoeng Tjiboelè, ari ti wètanna dihalangan koe bèntèng 5 lapis, sarta ka wètanna pisan ngadingding goenoeng Pajoeng. Noeroetkeun tjaritaan oerang kampoeng Tjisèro noe ajana dina soekoe èta goenoeng, èta goenoeng Pajoeng tèh sanget, malah sok dipakè pamoedjaan sato hèwan noe aja di dinya.

Ieu oeroet Tandjoeng Singoeroe di handapna dipakè torowongan solokan irrigatie, noe ajeuna tjaina dipakè njaian sawah sajoemblahna aja ± 8000 baoe, èta tèh noe kakoeroeng koe solokan irrigatie woengkoel.

Ajeuna oerang tjarioskeun bab galoerna lalampahan Praboe Djaka Soesoeroe, poetra Praboe Siliwangi radja di nagri Padjadjaran, noe ajeuna patilasanana aja di Bogor.

Boeboekana: Sang Praboe Siliwangi ka 7 Radja di Padjadjaran kagoengan poetra djenenganana Moending Mintra Kasiringan Wangi. Dina hidji mangsa magelaran di pantja niti dideuheusan prabopati, patih, mantri, para toemenggoeng. Sang Praboe Siliwangi ngadawoeh ka sadajana prabopati, dawoehanana: „Koemaha hè para Bopati, Patih djeung Toemenggoeng, sarèhna kami kagoengan poetra pameget, nja ieu si Oedjang Radèn Munding Mintra Kasiringan Wangi, tatjan kagoengan garwa, tapi koe kami hajang didjenengkeun Bopati heula!” Pioenjoekna para bopati sareng para toemenggoeng ka Sang Prabu Siliwangi: „Èta mah sadaja-daja, henteu ngalalangkoengan Kangdjeng Goesti baè, menggah pidjenengeunana poetra Radèn Moending Mintra Kasiringan Wangi.” Sanggeusna Sang Praboe Siliwangi ngadangoe pioendjoekna Pra Bopati djeung Toemenggoeng kitoe, ladjeng ngadawoeh deui: „Ari moenggoeh kahajang kami sarta noeroetkeun gambar Pakoean Padjadjaran, pinagaraeunana tèh ajana di tatar alasan Pasagi wétan, ngan pingaraneunana nagara koemaha engkè baè boektina.” Sanggeusna Kangdjeng Radja Siliwangi........

Aja toeloejna.

__________


BANGSA KALANG.

(Tina Djawa No. 1, tahoen I. Karangan M. Inggris, disoendakeun djeung ditambahan koe Soeriadiradja)

Di Djawa Tengah aja bangsa anoe biasa disareboet bangsa Kalang, diaranggapna bèda ti Djawa biasa, komo baheula mah. Rèa anoe njeboetkeun bangsa Kalang tèh baroentoetan, da toeroenan monjèt, tjenah. Tapi, ari saenjana mah, saoer Kangdjeng Boepati Wreksidiningrat Boepati (toeroenan) Kalang di Solo, anoe boemina sok ditarongton tina anèhna, pinoeh koe siloka [ 5 ]sasmita djeng karadjinan, henteu kitoe, eta mah ngan pamojok bae. Oerang Kalang the Djawa biasa, malah estoe pitoein oerang Djawa, saenjana mah, Ari asalna pang djadi djalma saba leuweung dawoehanana, nja eta sanggeus Islam njaliara di Djawa, tea Djelama anoe emboeng anoet kana agama Silam, nja misahkeun maneh ti noe sedjen, ting alasreok ka goenoeng-goenoeng noe singkoer, ka mandala noe singkah, soepaja oelah meunang panggangoe. Moal beda di Badoej di oerang. Di leuweungna njarieun imah, djati bahanna, tara kaselapan kai sedjen, soemawonna pakoe atawa beusi mah da teu aja. Ana pindah ka leuweung sedjen, imahna the diringkid, da gampang naker dirakrakna, toeloej diadegkeun deui, teu araja karoeksakanana. Sabaraha kali bae mindahkeunana, imah boeatan bangsa Kalang mah tara aja reg-rog-regrogna. Tabahna kana ngagarap kai bangsa kalang mah, hese bandingna. Dina Djowo No. 1 tahoen I aja karangan bab bangsa Kalang anoe aja di apdeling bagelan, saperti di Gombong, petanahan, Karanganjar, karangan M. Inggris anoe eusina ieu di handap, diterangkeun.

Bangsa Kalang tèh adat taladjakna nja kitoe deui paromanna, rada bèda ti Djawa anoe sèdjèn, ieu mah rada maronjong, tara koemisan tara djanggotan. Ana leumpang teu ngalejad ngagandeuang tjara Djawa biasa, tapi ngintjid bari kèprèt. Ari moenggoeh papakèanana mah nja biasa baè, ngan rada leuwih garinding, awèwè lalaki mèh tara tinggal ti ali emas, komo dina pèpèstaan mah. Imahna tèmbok, pakaranganana salawasna dikoeta loehoer, djeung koedoe baè miara andjing, ari paparabotan papaès imah, kabèh kai baè. Djelemana garetol palinter, teu kagelè teu kaselèk koe oerang Djawa biasa tèh. Pakasabanana kana dagang batikan, dagang bako djeung sadjaba ti èta, koe sabab èta hiroepna sarenang naker.

Oepama bangsa Kalang kawin, prak-prakanana dirapalan atawa dipèstakeunana mah djamak oerang Djawa baè, ngan anèhna, dina waktoe raramèan tèh, dina lawang ka lemboerna pangantèn awèwè, koedoe baè makè papanggè. Pangantèn lalaki djeung tamoe-tamoe, teu meunang asoep samèmèh majar ka djaga lawang, koe doeit atawa koe roepa emas inten.

Nèwoe, nja èta sidekah sarèboe poèna anoe maot, koe bangsa Kalang mah digedèkeun. Samèmèh tepi kana waktoena geus njadiakeun moemoendingan koe kai pandjangna kira-kira 1½ M, djeung wong-wongan kai kènèh, djangkoengna kira-kira 2 M. Dina peutingna sidekah, moemoendingan tèh didangongkeun di tengah pendopo imahna, ari wongwonganana didioekkeun dina mèdja di hareupeun moemoendingan tèa. Lamoen geus tengah peuting, wongwongan tèh prak digarotong ngoerilingan moemoendingan tèa, meunang toedjoeh koeriling, bari kitoe tèh koedoe aja boedak anoe neunggeulan meri koe tjameti sina disada wakwak-wèkwèk. Ti dinja toeloej èta wongwongan dibarawa ka boeroean, sok didioekkeun lalaoenan dina toempoekan papakèan anoe maoet tèa, anoe geus disadiakeun di dinja, sarta ger baè didoeroek. Ari geus ngahoeroe èta mah brak bae balakètjrakan dahar leueut.

Bangsa Kalang anoe baroga adat ngadoeroek wong-wongan tèa, disareboet “Kalang-obong”, ari paranakan Kalang anoe sèdjèn diseboet Kalang-mendak.

Bangsa Kalang noe ajeuna aja di bagelèn èta aja sasakalana, kieu tjaritana: Djaman baheula aja hidji radja, angkat boeboedjeng ka leuweung. Diiring koe mènak-mènak djeung koe abdi-abdi. Kangdjeng Radja tjoekoel pisan boeboedjengna kènging roepa-roepa sato leuweung. Barang geus rada boerit andjeunna ngaraos palaj toeloej lirèn handapeun kai. Di dinja andjeunna hojong kahampangan, sarta lantaran bèh mendak batok kalapa atoeh prak baè kahampangan dina batok tèa, ti dinja mah ladjeng deui baè angkat. Sadjengkarna Kangdjeng Radja, djol aja bagong bikang halabhabeun hajangeun nginoem, legoek baè tjai kahampangan Kangdjeng Radja tèh diinoem. Bet pelendoeng bae bagong tèh reuneuh sarta barang tepi kana mangsana borodjol ngadjoeroe anakna orok awèwè. Dina hidji mangsa aja hidji awèwè ka dinja, katjida kagètna patjampoer djeung atoh manggih boedak awèwè geulis ngagolèr di leuweung. Teu antaparah deui ngan rijed baè diais [ 6 ]dibawa balik ka imahna. Beuki lila èta boedak beuki gedè. Djeung beuki geulis, atoeh teu kira-kira baè dipikanjaahna koe indoeng poeloengna. Barang geus landjang oenggal poè gawèna ngentreung baè ninoen di papanggoengan, beunang mangnjieunkeun kolotna. Dina hidji poè sabot manèhna keur djongdjon ninoen tjara sasari, tjlik baè totopongna ragrag montjor ka kolong. (Dina Djawana, anoe ragrag tèh “pantoffel”). Koe lantaran harita èta nji landjang keur tareunanganeun...............................................

Aja toeloejna



PATILASAN – PATILASAN DI BANTEN

(Jaarboek v/d. Top. Dienst 1919. Karangan toean G. P. Groenhof disoendakeun koe Soeriadiradja)



Dina boelan November taoen 1919 djisim koering ditimbalan koe hoofd van den Topografischen dienst naloengtik patilasan oeroet pasanggrahan “Tassecardie” djeung “Cotta Roeboeh”, djaman Soeltan Agoeng njepeng karadjaan Banten, anoe geus ditoelis dina karangan toean Jhr. de Rover van breugel, sarta kapanggih tina soerat-soeratna anoe ditilar koe toean Nicolaas Engelhard marhoem, noe ti taoen 1751 n.k. taoen 1798 tjalik di dieu. Kadjaba ti mariksa èta anoe doea patilasan, sambian koering, bari sakalian mariksa patilasan-patilasan sèdjèn di karesidènan Banten. Patilasan Tasikardi mah rèa anoe terangeun tapi ari kana ajana djeung pernahna “Kota Roeboeh” teu aja anoe bisa mèrè katrangan. Kangdjeng Dalem Sèrang ogè, saharita teu iasa maparin bongbolongan, ngan andjeunna djangdji baris njoektjroek dimana ajana èta Kota Roeboeh tèh.

Anoe djadi toedoeh-djalan pikeun naloengtig èta patilasan-patilasan tèa. Nja èta Djoeragan Angling Koesoema, anoe kaseboet seueur kaoeningana tina perkawis sadjarah-sadjarah sareng patilasan di Banten, terah Soeltan Abdoel Moefoehir Moehamad Alioedin.

Ari èta pasanggrahan Kota Roeboeh tèh baheulana dina panjangka koering tangtoe moal djaoeh ti dajeuh Banten, sabab noeroetkeun seseratanana, toean Jhr. de Rovere van Breugel tèh ngadjadjahna di dinja, ngan lelewek (wewengkon) anoe dareukeut ka dajeuh baè.

Samèmèh dek njaritakeun patilasan tèa, ieu diboeboekaan heula koe ringkesanana sadjarah Banten.

Dina wiwitan windoe anoe kagenap welas, Banten tèh (koe oerang Portegis dioenikeunana Bantam) djadi palaboeanana Karadjaan Padjadjaran. Oenggal-oenggal taoen moengpoeng pirang-pirang djoekoeng Tjina anoe daratangna rek ngaroendjalan pedes djoealeun deui ka mamana. Tapi saharita mah tatjan djadi bandar gedè, teu tjara sanggeus oerang Portegis ngadjabel Malaka dina taoen 1511 djeung Pasei dina taoen 1521, nja kitoe deui ti sanggeus bangsa Islam bisa lajar mapaj basisir Soematra beulah koelon, bras ka Selat Soenda. Dina taoen 1522 oerang Portegis laksana karepna bisa njieun kontrak djeung bisa meunang paidin matoeh di basisir palaboean Soenda Kalapa. Tapi barang maranehanana arèk ngamimitian ngalandjrek di dinja, keur harandjat kènèh geus der ditempoeh koe oerang Islam anoe mariheulaan maratoeh di dinja.

Noereotkeun katrangan oerang Portegis mah anoe harita djadi gegedoeg bangsa Islam tèh djenenganana Falatehan manawi anoe ajeuna nelah Soenan Goenoeng Djati, pèdah makamna di Goenoeng Djati deukeut Tjirebon, poepoesna dina toen 1970.[1]

Ari djenenganana anoe saenjana mah Sjèh Noerdin Ibrahim Ibnoe Maulana Israil, dibabarkeunana di Mekah, ari iboena istri mènak tedak Soenda. Soempingna ka dieu [ 7 ]linggihna di Pasei, ti dinja ngalih ka Demak, sarta toeleoj garwaan ka sadèrèkna Kangdjeng Soeltan. Kalawan pirempang Kangdjen Soeltan, andjeunna djengkar ngoengsi ka Banten, nja iasa ngislamkeun Mangkoe Boemi Padjadjaran. Sanggeus tjoendoek ka woekoe datang ka mangsa, andjeunna iasa nempoeh ngagempoer moesoeh ngalindih kakawasaan, Padjadjaran kantoen ngaran, Poelo Kalapa ditjandak. Nja harita Maha Radja Padjadjaran poepoet joeswa kasamboet di pangperangan.

Satoetasna Padjadjaran ngarangrangan Falatèhan djoemeneng Adipati di Demak, ari Banten dipasrahkeun ka poetrana anoe tjikal djenenganana Maulana Hasanoedin, anoe dina taoen 1568 ngadeg radja koe andjeun, leupas ti genggeman Demak. Nja andjeunna deui anoe naloekkeun sabagian tanah lampoeng nepi kaerèh koe Banten.

Dina taoen 1570 keur mangsa djoemeneng kènèh ramana, Maulana Hasanoedin poepoes, dipendemna di dajeuh Banten pipir masigit, tempat anoe diseboet sabakingking. Ti hartia andjeuna katelah Pangèran Sabakingking. (Sabakingking hartina: tempat prihatin: Saba = patempatan, pasamoan, tempat. Kingking = soesah, nalangsa, prihatin.)

Anoe ngagentos karadjaan, poetrana, djenenganana Pangèran Joesoep (1570-1580) katjida ngamadjoekeunana ka nagara nganggeuskeun bèntèng-bèntèng hantja ramana, sarta nimbalan ngadegkeun masdjid agoeng.

Sanggeus Pangèran Joesoep noempes ngalastarikeun sirnana Padjadjaran, andjeunna poepoes, dipendem di Pakalangan, tempatna sisi djalan anoe ti Sèrang ka Banten.

Andjeuna katelah Pangeran Pasarèan.

Anoe ngagentos djoemeneng Radja, poetrana anoe masih boerej kènèh, djenenganana Pangèran Moehamad, anoe katelah Ratoe Soerasoan noeroetkeun ngaran karatonna.

Dina taoen 1596 andjeuna kasamboet dina pangperangan waktoe keur ngaroeroeg ka Palèmbang. Koe sabab èta sok diseboet Pangèran Sèdangrana (Sèda ing rana = poepoes di pangperangan).

Dina taoen-taoen èta, toen Cornelis Houtman (1596) djeung toean Wolfert Harman (1601) ngamimitianana merangan bandar Portegis djeung Sepanjol di palaboean Banten. Anoe djoemeneng Radja mangsa harita masih anom kènèh, djenenganana Abdoel Mafachir Moehmoedi Abdoel Kadir, nja kitoe deui anoe djadi walina deui, teu iasa njapih ngarèpèhkeun ka sèmah-sèmah anoe keur paretjoh tèa.

Ti saenggeus bangsa Walanda ngadegkeun lodji dina taoen 1603, perangna sèmah pada sèmah tèa, beuki meuweuh beuki matjeuh bae, ngawoedkeun sanggeus Djakatra dipakè panonoban kapal-kapal Koempeni (O.I.C.) mah, djadi pindah lain di Banten djeung sanggeus toean Coen dina taoen 1618 djadi Goepernoer Djendral, beuki ragot baè perangna.

Anoe djadi wakil Kandjeng Soeltan Anom tèa djenenganana Ranamanggala, sababaraha kali teungteung metakeun kakawasaanana, njegah sèmah anoe parasèa tèa, tapi dina taoen 1624 andjeunna koedoe masrahkeun kakawasaan karadjaan ka radja Anom anoe sateroesna oenggal aja perang ngantep bae teu kersaeun miloe tjampoer, teu biloek ka ditoe teu biloek ka dieu.

Ti taoen 1651 t.k. taoen 1682, noe djadi Soeltan Banten, djenenganana Soeltan Abdoel Fatah, anoe katelah Soeltan Ageng, rada njatroe ka koempeni. Andjeunna kalawan pitoeloeng oerang Inggris ngamadjoekeun hal dagang, djeung ngoeroes solokan-solokan sangkan bisa njaian tanah geusan ngamadjoekeun tatanèn; nja andjeunna anoe ngadamel solokan ti Tjikande ka Kali Pasilian (taoen 1663), antawa Tanara djeung Pontang (1670) djeung ti Tirtajasa ka Tanara. Koe sabab andjeunna ngamoesoeh ka bangsa Walanda, djadi andjeunna biloek miloe noeloeng ka Troenodjojo. Èta lantaranana pang Toean Besar Speelman, sanggeus nangkep Troenodjojo, toeloej miloe nempoeh Soeltan Ageng basa perang djeung poetrana djenengannana Abdoel Kahar, anoe sasoempingna ti Mekah diseboet Soeltan Hadji, nja èta waktoe Kota-Inten, Karaton Soeltan Abdoel Kahar, dikepoeng koe wadia balad Soeltan Ageng. Sarèngsèna perang teroes [ 8 ]Soeltan Abdoel Kahar ngasta Karadjaan ngerèh Banten.

Dina taoen 1687 Abdoel Kahar digentos koe poetrana noe tjikal, djenenganana Abdoel Fadal Moehamad Jachim, tapi ngastana karadjaan ngan 2 taoen kaboeroe poepoes, digentos koe sadèrèkna djenenganana Abdoel Moehazen Zainoel Abidin, ti taoen 1689 n. k. taoen 1733 anoe nèma karadjaan djenenganana Abdoel Patah Siefach Zainoel Arifin, katjida kabawahna koe garwa, istri tedak Arab, anoe nepi ka ngaloengsoer andjeunna tina karadjaan, dina taoen 1747. Dina taoen 1758 poepoes dipangboeangan di Ambon. Èta Radja Istri, lantaran aja karaman lolos ti nagara, toengtoengna diboeang ka Edam. Dina taoen 1753 poetrana anoe tjikal djenenganana Pangèran Goesti, disina moelih ti Sèlong, diangkat djadi Soeltan.

Ti harita nepi ka nintjak windoe ka dalapan welas, Koempeni djeung Banten rapih rèpèh tengtrem ajem, henteu aja naon-naon. Tapi sanggeus Toean Daendels dina taoen 1808 djadi Goepernoer Djendral, waktoe ngamimitan midamel gawè militèr di Meeuwenbaai, Kangdjeng Soeltan Moengpang kana pamoedoet Toean Besar, teu kersa njaosan djelema anoe pidigawèeun, sarta katjida bendoena barang kènging parèntah koedoe mindahkeun dalem ka Anjar, nepi ka dina tanggal 14 Novèmber 1808 toean Komendang Du Puij djeng soldadoe Walanda anoe djadi goelang-goelang karaton dipaèhan. Koe lantaran èta karaton dikepoeng toeloej dillindih koe Koempeni, sarta Kangdjeng Soeltan diboeang ka Ambon. Karatonna ogè baris teroes diroeang.

Anoe ngagentos djadi soeltan poetrana anoe tjikal, djenenganana Safioedin, tapi henteu iasa ngertakeun djeung mèmèrès deui nagara. Koe lantaran èta koe toean Raffles kalawan pirempag andjeunna, dina taoen 1813 Banten tèh didjadikeun djadjahan torodjogan dibawah parèntah koempeni.

Sanggeus poepoes Soletan Safioedin dina taoen 1815, digentos koe poetrana anoe masih boerej kènèh djenengannana Rafioedin, ari ngadjalankeunana pamarèntahan diwakilan koe iboena. Dina taoen 1832 Soeltan Rafioedin diboeang ka Soerabaja, lantaran kaambat tjampoer djeung badjo, poepoesna di Soerabaja dina taoen 1900.

Baris disambung



GOEGOERITAN „PIPILIS” ISTRI GOEGAH BABAR.

(Kènging njoetat tina Djawa, No. 2 tahoen I karangan R. Hasan Soemadipradja.)

__________

Dangdanggoela.

I. Horéng kitoe moenggoeh katoembiri,
témbongna téh ari hoedjan pojan,
katodjo ku panon-poé,
beulah wétan melengkoeng,
matak kasmaran noe ningali,
ana braj tjaang raat,
woewoeh kelar kalboe,
margi radjeun kalangkangan,
namung ieu melengmeng teu béngras bersih,
ngoewoeng loehoereunana.
II. Moeng oepami hoedjan wanci éndjing,
srangéngé motjorong beulah wétan,
ngaweng mengkoeng di koelon,
dilandi koewoeng-koewoeng,
tengah awang-awang nangtawing,
goemeter pipikiran,
rét kelir kairoet,
kaja ningal istri babar,
goegah ngowo dilandong nganggo pipilis,
koemoewoeng dina taar.
III. Koewoeng-koewoeng miwah katoembiri,
padjar manéh mah taradjé emas,
anggon-anggon widadarén,
pami ngarsakeun loengsoer,
loentoer siram beberesih,
pinareng kawanéhan,
kitoe saoer sepoeh,
widadari ti sawarga,
katinggalna sing sarwa kerang tjawening,
toejoeh pisadérékan.

Aja toeloejna.

[ 9 ]

BASA SOENDA.
Basa djadi tjitjiren bangsa.

Basa Soenda tèh kalebet kana golongan basa hiroep, tegesna basa anoe sok diparae ngomong sadidinten; koe margi èta kaajaanana masih robah-robah, ketjap-ketjapna aja noe nembè goeroedag lahir, aja noe paèh, aja anoe paratos kolos aja naoe ngora kènèh; iketan basana nja kioe sering robah. Pèndèkna hiroep tjara djelema.

Oepami kaajaanana basa Soenda boehoen koe oerang dibandingkeun sareng basa Soenda model anjar, tetela pisan bentenna. Sanes benten pokpokanan bae, namoeng entep-seureuhna oge roepina loba bentenna; katawis pisan oepami oerang matja basa boehoen; geuning dina Volksalmanak Soen-da oge aja. Mangga tjobi koe andjeun ban-ding-banding.

Ari basa-basa hiroep dibagi-bagi djadi sababaraha bondorojot noeroetkeun wan- dana sareng pangdoemoekanana; eta bon-dorojot dibagi deui djadi tedak-tedak aralit. Basa Soenda kalebet kana tedak basa-basa Hindia, Ari basa-basa Hindia kalebet hidji bondorojot anoe koe para boedjangga Eropa ajeuna disebat basa-basa Austronesie; sabet-saponna basa-basa Austronesie teh ti For-mosa dongkap ka Nieuw Zeeland, ti Ma-dagaskar dongkap ka kapoelan-Paasch malah di boeana Azia pisan aja basa anoe kalebet keneh kana basa Austonesie. Sadaja poelo-poelo anoe kakoeroeng koe eta kalang, kadjawi hidji-doea basa, sadaja oge kalebet sabondorojot bae.

Basa-basa Austronesie anoe aja di djadja-han Walanda disebatna basa-basa Hindia; tah, ieu basa-basa dibagi deui djadi tedak tea. Koe Dr. J. L. Brandes didamel doea tedak, nja eta: Tedak Koelon sareng Tedak Wetan, ngitoeng oge basa-basa di Filipina, Formosa, Malaka sareng Madagaskar. Demi anoe didamel wates noe ngabagi doea bagian. nja eta: goat anoe ditarik antara poelo Saboe sareng poelo Roti, ladjeng ka sela-sela Flores sareng poelo-poelo Solor, ka wetaneun Boeton, ladjeng ka koeloneun poelo poelo Soelo ka wetaneun Minahasa poelo-poelo Sangi sareng Talaoed ladjeng ka-wetaneun Filipina.

Doepi anoe dianggo tjitjiren koe Dr. Brandes pikeun misahkeunana eta doe tedak teh, nja eta rakitanana basa: di beulah koelon ketjap anoe ,,ditangtoekeun” teh di-sebat ti heula, sapertos: tjai mata, ari tedak wetan sabalikna: mata tjai.

Eta patokeun toean Dr. Brandes kitoe, delepatkeun koe toean Jonker, margi noeroetkeun timbangan toean Jonker mah, basa di Nieuw-Guinea, basa Ternate, Tidore sabagian Halmahera, eta teu kalebet ka bondorojot basa-basa Austronesie. Ari basa Banggai saoerna – noeroetkeun rakitanana basa kedah dilebetkeun tedak wetan, na-moeng koe Dr. Brandes direndonkeun ka koelon; basa Melanesie sareng Mekronesie, anoe direndonkeun ka wetan, eta kedah di-tarik ka koelon.

Pendekna – saoer eta toen – oepami oerang bade ngatoer tedak di bondorojot Austronesie, kedah keau:

le. Basa Indonesie (kapoeloan Soenda, Malaka.

Aja toeloejna.

Poeradiredja

__________


OENAK-ANIK BASA SOENDA.
(Dikoempoelkeun koe Soeriadiradja.

  1. Indoeng peuting. Hartina mah sarerea oge geus pada oeninga, nja eta mega anoe (semoe) hideung Beulah koelon dimana panon-poe soeroep.
    Indoeng, di dieu asalna tina endoeng (Kawi), hartina "mega".
    Indoeng peuting hartina: Mega peuting.
[ 10 ]
  1. Bandoeng. Lian ti hartina doea nga-rendeng, saperti: bale bandoeng, bandoengan, ngabandoengan, dj.s.t. aja deui hartina (basa Kawi) boeleud gede. Soemoer bandoeng, soemoer noe liangna gede.
  2. Moentjang laboeh ka poehoe. Ieu pari-basa biasa njamboeng djeung "kebo moelih pakandangan”, ngarah tambah anteb, da hartina mah saroea bae.
    Moentjang dina ieu paribasa, lain anoe sok dipake sambara; tapi tina boentjang basa Kawi hartina ngaloengkeun, maledog.
    Soeroep kana hartina; dialoengkeun, ragrag deui ka poehoena, hartina ka asalna tadi.
  3. Oenggah bale watangan. Lamoen aja boedak ngadekan lintjar, koe kolotna sok geuwat ditjarek, pokna: "Pamali matak oenggah bale watangan”. Sok aja anoe nerangkeun, hartina: keuna perkara, tjenah. Eta katrangan teh bener, sabab watang teh hartina: paseban, djadi bale watangan, bale paseban, paranti mariksa perkara.
    Di oerang aja ketjap pamatang, nja eta toekang ngoedag oentjal koe koeda. Asalna nja tina watang keneh, tapi watang dina pamatang mah hartina ba-hoe, gagang toembak atawa dihartikeun oge toembak. Djadi pamatang teh, toekang noembak.
  4. Hileud sitataroe, ngaran saroep hileud anoe matak gila naker. Anoe matak di-ngaranan kitoe, noeroetkeun enggonna, dina tatangkalan anoe koelitna semoe bodas.
    Sita, hartina bodas (Sangsrit: Seta, Kawi Sita.)
    taroe, hartina tangkal (Sangsrit: taroe. Lataroe = taroe lata = tatangkalan bangsa palem).
    Sitataroe teh hartina tangkal anoe bodas.
  5. Djelema andon soeka, hartina anoe ngadon tjitjing kalawan soekana pribadi. Andon asalna don (Kw), hartina tempat, enggon. Djadi andon atawa ngadon teh, nempat, aja di eta tempat, make eta tempat.
  6. Gedogan, hartina saroea djeung istal, nja eta kandang koeda.
    Gedog (Kw) hartina koeda, djadi gedogan teh tempat koeda.
  7. Pagoelingan = padjoearan = pangkoeleman, pangheesan.
    Goeling (Kw) = Koelem = hees.
  8. Doeroewiksa, biasa dihartikeun saroea djeung djoerig, asalna tina doerbiksa.
    Biksa (Kw) = lelemboet.
    Doer (Kw) = djahat, goring.
    Doerbiksa = bangsa lelemboet anoe djahat.
    Djana (Kw) = djelema.
    Doerdjana = djelema djahat, bangsat.
  9. Hoedjan silantang hartina hoedjan kaanginkeun ngagoeroeh di awang-awang, lain hoedjan ngagebret.
    Silantang, asalna tina Kawi grantang atawa gerantang ngaran saroepa tatabeuhan beheula, meh kawas gambang. Hoedan grantang (hoedan gerantang) koe Soenda dioenikeun hoedjan silantang.

Aja toeloejna.

__________


Ngamimitian Ngadegkeun Tjabang Java-Instituut di Djogdjakarta.

Dina boelan Maart taoen 1921 di Djogdja geus ngadeugkeun Tjabang Java-Instituut, lantaran koe elid-elid ka timbang bars gede pimangpaateunana, djeung sangkan gampang ngaliarkeun pikareupeunana eta pakoempoelan, noe sakitoe moendelna oedaganana. Pikeun ngadegkeun Tjabang teh henteu matak wegah, da patokanana anoe kaoengel dina Oegeran pasal 6, disebeotkeun jen lamoen aja 20 elid, bisa ngadeg Tjabang. Heuleut sawatara boelan ti mentas ngadeg, elid Tjabang Djogdja geus aja lima poeloeh, sawareh bangsa Pribumi sawareh deui bangsa Eropa. Ajeuna bangsa [ 11 ]mi djeung bangsa Eropa anoe geus sakoer-boeh dina Tjabang, beuki gampang paheujeuk-heujeuk leungeunna, ngamadjoekkeun poesaka elmoe djeung kabinangkitan priboemi, babarengan ngoteklak djeung naloengtik soegri noe aja di lelewek wewengkon Tjabang tea, babakoena.

Koe lantaran aja doea bangsa. Di Djogdja mah ditangtoekeun, basa anoe dipake dina gempoengan koedoe basa Walanda.

Tapi nadjan kitu oge ari basa Djawa mah teu kaloeli-loeli, sarta aja deui katangtoean ngajakeun gempoengan anoe basana basa Djawa, ngamimitian gempoengan koe basa Djawa ngadadarkeun djeung njoerahan "Kalatida" dadamelan Rongge Warsito boedjangga Djawa anoe katjelok tea. (Engke ka pajoen baris dilebetkeun eta Kalatida teh).

Waragad Tjabang njandak satengahna tina kontribisi djadi f 3 ti saoerang. Tjabang Djogdja geus prak oesaha.

Ieu di handap ditoelis huishoudelijk reglement Tjabang Java-Intituut Djogdja, malak mandar djadi tjonto.


1.

Tjabang ngitoengna taoen mimiti nepi ka 31 December 1921. sarta sateroesna ti oenggal 1 Djanoeari nepi ka 31 December.

Aja toeloejna.

__________


Basa boehoen.

Manawi sadaja oge pada hojong oeninga, koemaha pok-pokana basa Soenda baheula. Banding-bandingkeuneun sareng basa ajeuna. Koe margi eta, ieu koe djisim koering dilebetkeun kana Langlajang Domas, kenging njoetat tina boekoe kaloearan Bat. Genootschap karangan toean C. M. Pleijte, hidji toean anoe katjida motekarna njoektjroek sareng ngempelkeun saniskanten poesaka-poesaka Soenda. Doepi anoe ditjarioskeun teh lalakon Poernawidjaja, beunang njalin tina koropak No. 416 (boekoe daoen lontar anoe ditoelisna koe peso pangot tea); anoe ajeuna disimpen di Gedong-gadjah.

Noemoetkeun katrangan toean Pleitje, anoe ngadamel eta koropak teh, moerid hidji pandita di Goenoeng larang Srimangti. Dona boeboekana kaoengel kieu:

"Sadoe poen; paraloenkeuneun: soegan aja satra ala, hadean; soegan salah, gentian soegan koerang woewoehan; beunang diadjar noelis Kai Raga di goenoeng larang srinmanganti;” Di dinja keneh aja katrangan kieu:

"Sadoe poen’ soegan aja sastra leuwih hadean; koerang, woewoehan; beunang nganggeuskeun di Soekrawage Goenoeng Larang Srimanganti.

Ini tjarik Kai Raga”.

Aja deui anoe kieu oenggelna:

"Ini kanganoelis Kai Raga eukeur tapa di Soeta nangtoeng.

Doepi eta pangtapaan Kai Raga teh koe toean Pleitje parantos ditjoetjroek-tjoektjroek ajana di Goenoeng Tjikoeraj Garoet, malah Tjikoeraj teh ari koe oerang disijana mah saoerna nya Srimanganti diseboetna. Noemoetkeun seratna toean G.F.K. van Huls van Tasis, Assistant Resident Garoet ka toean Pleitje, Tjikoeraj teh enja sok disareboet Srimanganti baheulana mah, malah baheula aja lemboer noe nelah Srimanganti, bawahan desa Tjigedoeg di Tjikoeraj, ngan ajeuna geus roentag. Dina timbangan toean Pleitje geus moal salah deui tangtoe di Tjikoeraj pangtapaan Adjar Srimanganti teh, da di poentjakna aja tetelar anoe dilingkoeng koe koeta, bangoen oeroet pangtapaan teh.

Doepi oenina eta basa boehoen teh kieu:


Ini tjarita Poernawidjaja.

1. Sakar batara sakini.
hanak ing sang hija atma
koemaha eta sadana
tjarita koehajang heuker
5. basa nongton kapapaan
kategal perang bawana
njeueung atma disangsara
koe sang jama kadipati
kasapak poernawidjaja.
[ 12 ]
10. magih lara soedakala
sasara oemarab-arab
kasakit patidih-tidih
na mala kanteu pegatna
sangkilang dipadjar sorga.
15. mikahanan boemi kedan
kara koe sang widadara
ngawisesa widadari
mirabina nagawati
mirabina nagawati
noe naker, haksarikali
20. euweuh keneh kabilaan moe
moen hoelah kaat dewatta
hanteu pihadeheunana
sahoer dewatta Oetama
noesija mahapandita
25. kanah ing poernawidjaja
kebotahaki magahan
Soegan sija kamo njaho
reungeukeun ta tjarek ahing
moelah de sawo saungeungah

Aja samboenganana

__________


WAWATJAN TJARIOS PRABOE SILI WANGI.

Pangintoen R. G. Koesoemapoetra Tjiamis (Beunang njaroengsoem Soeriadiradja)

Dangdanggoela

__________


  1. Bismilahi rahman nirrahim, awit kedal moedji soebhannalah, Pangeran hing alam kabeh, anoe. moerba linoehoeng, noe kawasa teu aja deui, teges anoe sipat koedrat, iradat kadiroen, estoe woedjoed toetoeg toenggal, koelhoe alloh hoeahad sa estoe jakin, dat sipat asma ap al."
  2. Mila ieu antara rek noelis, matja bismilah sareng patihah, matja koelho tioe balén, palakbinasna tiloe, noehoen rahmat ka Maha Soetji, moegapinaring gampang, kadar djadi kaboel, pikeun njoendakeun tjarita tina Djawa disalin koe Soenda dangding, kawit dangding dangdanggoela.
  3. Kawit njerat dinten Djoemaah Manis tanggal doea poeloeh tiloe Radjab kaleresan in taoen Dje, saréwoe tiloeratoes, doea poeloeh genep jakin, tepangna boelan Walanda, leresan diitoeng, Agoestoes doeapoeloeh tiloe na sewoe salapan ratoes dlapan Masehi, sakitoe itoenganana.
  4. Menggah ieu tjarita disalin, disoendakeun tina Djawa koena, Djawa boehoen dangdingna téh, menggah éta noe ditoetoer, taleraning Galoeh winarti, asal-asal ing boeda, tatjan aja elmoe, tanah Djawa masih papa tatjan aja para wali anoe soemping, ngislamkeun, poelo Djawa.
  5. Waktoe éta anoe djemeneng Adji, anoe ngeréh nagara Pakoean, tedak Galoeh henteu porot, noedjoe Sri Maha Praboe Anggalarang sinambat Adji, geus koena djoemenengna, langkoeng widak taoen, patih saderek sarama, kapi sepoeh misah iboe djalan selir, nelah sri Banjaksoemba.
  6. Sang Paraboe sareng kjai Patih, sami-sami geus pada poepoetra, istri pameget aranom, poetra Praboe anoe sepoeh wiwidjilan ti garwa selir, Raden Asmoenalarang, eta geus kamantoe, koe den patih rama oeu. geus diparin koe rama pangkat bopati djoemeneng radja poetra.
  7. Geus ngadamel gedong kangge boemi, goemelarna kalereun pasar, rame-rame saban poe, adon adoe adoe, para ageung sami lalinggih, ngaben moentjang reudjeung hajam, poejoeh saban minggoe, doea pandakawanna, noe kadeuheus beurang peuting henteu tebih, Tandesan Papagratang. [ 13 ]
    1. Pandakawan ati pada gilig, wedoek bedas teu teurak pakarang, tapis nakis njandak pélor,tabah ngagepoek moesoeh, pinertjaja koe rama patih ngadjaga poetra poetra; ngoeroes di kadatoen Mangka poetra Maha Radja, anoe anom doea pameget kakasih, widjilan sri Mésmara.
    2. Moenadewi kangdjeng ratoe poetri, praméswari garwa Maha Radja, poetrana doea karasép, noe boengsoe Poepoek Tjoetoeng,ari tjikal hidji deui, Radéu Pamanahrasa, pangkat radja soenoe; pinoedjoe mangsa harita, Sang pinoetra joeswa dlapan taoen, leuwih, sedeng ka slapanna.
    3. Kéwés pantes djedjer sang poetra Dji, terah Galoeh salira langkonjang, soemirat tjahja montjorong, koening lir emas sinipoeh, kéndep wanda aling aling, lir dewa kamanoesan, Kamadjaja toehoe djelema anoe naringal pada moedji poetra goesti kembang nagri, katjapangan sadajana.
    4. Radja Soenoe ari noedjoe oelin, diariring poeloeh-poeloeh boedak, ngaleut ngeungkeuy sapopoé, budak mangpoeloeh-poeloeh, kararoempoel ngariring oelin, ari ameng ka pasar, njandak kandjoet pinoeh, ngagaleuhan kadaharan, kanggo marab, ngawoer boedak batoer oelin, sakandjoet artana béak.
    5. Iboe rama sakalangkoeng asih, salamina dinénéh diheman, sabeurang peuting dimongmong sakarsana ditoeroet, dipaparin tiloe pangaping, pangatik toetoeroenan, tiloe djalma loetjoe, tedak loengsoeran ti ejang Praboe Moendingkawati ti moerangkalih nja di atitkna koe eta
    6. Ti Sang Praboe Sri Moendingkawati, toeroen ngatik Praboe Anggalarang, awit ti boerejna kénéh, dongkap djoemeneng ratoe, Anggalarang djoemeneng Adji, aja widak taoenna, enja masih loetjoe, ngasoehna woewoeh tangginas, tiloe djalma kawantoe poesaka nagi oemoerna geus ratoesan.
    7. Noe sahidji nami Poewakasih, éta ngaran waktoena nonoman, geus sepoeh soeka diogo, mashoer Kidangpanandjoeng, badan gembroe beunteung ngawingking gede salira handap gemejék raridoe, badeur badeur ka sasama, godég bewok boeloe halisna ngadjedig, nanging elmoe pandita.
    8. Noe kadoea éta leuwih deui, gede loehoer dedegna pohara, djangkoeng leuwih ti antéro, tjatoer sapoetjoek tjaoe, noe modonghol djantoeng na bidjil, djenengan sanoelawat éta ngaran bakoe tina loetjoe tambah ngaran. Lampeongdjamboel nelah nepi ka kiwari, tina singkah dedegna.
    9. Roebak dada harigoe pasagi, godég bewok boeloe semoe abang, boeloe harigoe ngarimjong boeoek boerigil djaeboel, boeloe halis noeroeban pipi daoen tjeuli boeloean, lir soesoemping indjoek, ari keur ameng amengan, ditoempakan leungeunna kentja sahidji, koe lima genep djalma.
    10. Dilempengkeun leungeunna sahidji, ditoempakan lima genep djalma, henteu pisan aja menod; ari anoe katiloe, djalma kate tarandal tirindil beuneur tangginas loempat bawél mawoer saoer, koelitna konéng konéas lir noe boelé pendék leutik semet birit, wanter teu aja pantar.
    11. Sasalakaj ka sagala kai, kawas badjing bisa loeloentjatan tatalepa ka noe sedjen, moen noedjoe perang tjampoeh, loentjat kana takrak tarampil, moesoehna ditoempakan bari ngadek hoeloe, sapisan lawanna babar, Gelapnjawang parigel pinter pinilih, langka noe bisa njandak.
    12. Sakatiloe tara make samping, Salawasna makena serewal, oendoer beroek noe galobroh, landoeng sésémet toeoer, badjoe koetoeng sahibas birit, saroeng njampaj dina taktak,dikongkojang kandjoet, ngan ari marék ka radja, dina tjangkeng saroeng diboelat dibeulit péso kantong henteu tinggal.
    [ 14 ]
    1. Tah pangasoeh poetra noe kakasih ti djaman sri maharadja éjang, toekang njerek badog rampog, noempes noenpoerkeun moesoeh, mapag gelar ngabasmi djoerit, pamatang badak mea, nempoeh benténg ngamoek, pilih tanding mapan joeda, sakatiloe djadi kapetengan nagri, tjonggah ka sadaja.
    2. Pangasoehna ka poetra arasih, tina awit misah ti iboena saporot tina pasoesoen sang Radja Soenoe djinoengdjoeng, dirorok beurang jeung peuting, doengkap ka tjoemarita, joeswa dlapan taon, sakatiloe tara wéja ngaping poetra saéstu kanggo kakasih, digadang bakal radja.
    3. Langkoeng-langkoeng iboe rama, asih komo ari ka Manarasa mah, dileuwihkeun ti antéro, ti boeréj dipapangkoe, tara anggang siang wengi, ditimang dieemban, toeang di lalahoen, doengkup ka ageng teu anggang tina melang iboe rama tara tebih ditoeroet sakarsana.
    4. Sakatiloe pangasoehpangaping, djadi hidji atina djoemaga langkoeng soehoed, roentoet rentét, mangka poetra noe sepoeh, radja poetra Asmena Wangi, manahna ngarasoela, sanget jen timboeroe ningal pangasihna ama ka raina Pamanahrasa noe lengik sanget tjoea manahna.
    5. Beurang peuting teu sepi panggalih, manah anteb welas ka salira, raos mo njandak kaprabon, tangtoe Sang Radja Soenoe noe meunang daradjat narpati, hidji tina wedalan poetra Maha Ajoe, doea diméménna béda, toer noe tiba pangatik toerenan adji geus ngaping salawasna.
    6. Radja poetra banget-banget sirik, ka rai radja Pamanah Rasa, doengkap djoelig manah awen, nanging napasoe njalindoeng dipipinding sari manah asih, péta kawas noe heman, sore isoek disaoer saban arek barang toeang, saderek ngarioeng diloengsoer linggih tara pisan ditilar.
    7. Lawas-lawas kataloengtik lari, koe rama oea Djengganagara, tina panganggona sanes, radja poetra kalangkoeng, panambatna asih ka rai, woewoeh béda katjida ladjeng radja Soenoe, disaoer koe rama oea, dipitoetoer diwisik koe saoer leutik, doeh Oedjang Radén Emas.
    8. Oedjang oelah pati roeket teuing ka kang raka radja Asmoelarang, dahar leupeut oelah dolog, Oea aja timboeroe, raka henteu tjara sasari. Radja Soenoe hatoeran naha rama kitoe, noe gegel di poelang belang, lahir rama Djengganagara bok bisi bisi, aja baloekarna.
    9. Lahir poetra noehoen ka pangasih, moegi aja doenga berkah rama, kakang oelah manah awon, asihna moegi loeloes, welas tresna ka diri abdi, abdi mah enja pasrah ka kakang soemoedjoed. Panakawan ditimbalan, soepja salawasna arati-ati kabeh koedoe kasmaran.
    10. Asmarandana.

    11. Den Demang sanggeus ngawisik,
      ka poetra Pamanahrasa,
      heuleut doea tiloe poe,
      angkat nepangan ka raka,
      ka Den Patih Banjaksoemba,
      satepangna amit saoer,
      mopojankeun lampah poetra.
    12. Doemeh kamanah kadjoedi,
      Asmoelarang nereka,
      Sang Adji bakatsoemérén,
      ka poetra Pamanahrasa,
      geus digadang ti anggalna,
      teh tétés tedaking taroe,
      Jalaran ti Prameswara.
    13. Demang Djingga ngalahir,
      ka raka Den Banjaksoemba,
      mananawi ngadjadi saé,
      sangkan oelah panasaran,
      ningali panajongjaan,
      Pangandaran enggeus mashoer,
      pamoedjan ti djaman koena.
    14. Tjipatahoenan geus boekti,
      sing saha noe bisa ngodjaj,
      lempeng ladjoena teu njérong,
      ka toegoe kalér meneran,
      moelangna mapaj tjoekang,
      areuj gedéna, sa tjoeroek,
      nelang Sanghjang Keukeumbingan.
    [ 15 ]
    1. Tah ti dinja toeloej deui,
      ka goeha si Padaleman,
      éta tiloe moen kalakon,
      ngodjaj njoekang asoep goeha,
      pinasti djadi radja,
      Pakoean wandé kapangkoe,
      tjarita geus hamo gagal.
    2. Moen lain baris narpati,
      néndjo ogé teu kadoega,
      djerih miris haté soerser,
      kitoe éta perbawana,
      ayeuna oetami kakang,
      Asmoenalarang diwoeroek,
      sina njobi Pangdadaran.
    3. Dén Patih ngalahir manis,
      kakang sapoek nanakeran,
      sapirempoeg adi kabéh,
      kakang gé aja émoetan,
      ngadjak Sang Radja poetra,
      malakmandar loeloes bangloes,
      Asmoenalarang teu baha.
    4. Saparantos wawarti,
      Dén Demang noeli pamitan,
      loengsoer moelih angkat alon,
      ganti poé kadoeana,
      Dén Patih Banjaksoemba,
      nepangan poetra Sang mantoe,
      soemping ladjeng sasaoeran.
    5. Lahiran Rahadén Patih,
      poetra lami teu ngalasan,
      moro oentjal badak banténg,
      geura angkat matjangkrama,
      ladjeng ka Pangdadaran,
      Si Patahoenan noe mashoer,
      njobi Sanghjang Keukeumbingan.
    6. Ka tiloe goeha werit,
      wasta goeha Padaleman,
      panajogjaan tjitjirén,
      saha-saha anoe bisa,
      nekanan katangtoean,
      tanda daradjatna poendjoel,
      mangkoe nagri djadi radja.
    7. Poetra meureun geus miarsih,
      tjarios ti djaman éjang,
      Pangdadaran téh totondén,
      natrat ti djaman koena,
      ngawaler Sang Radja poetra,
      noen Rama éta soemoehoen,
      abdi gé hajang ngadjadjal.
    8. Moeng arui panoehoen abdi,
      oelah rék geroeh gareuwah,
      ngarah loeas simpé rinéh,
      réh bisi abdi njolédat,
      kadar toena nja daradjat,
      noe mawi mo badé geroeh,
      wiwirang di kolong tjatang.
    9. Mésem ngalahir Dén Patih,
      leres sapilahir poetra,
      sok moen sareng ama baé,
      moenggoeh di kolot mah melang,
      boh bisi koemaha onam,
      kawantoe sami djeung moendjoeng,
      henteu beunang digadabah.
    10. Sigeg lampah Radén Patih,
      kotjap di mangsa harita,
      Praméswari noedjoe bobot,
      eukeur ngandeg ka tiloena,
      loengsé salirana nahnaj,
      leték skalangkoeng lesoe,
      tara-tara ti biasana.
    11. Sebér galih Sri Narpati,
      ningali Sang Praméswara,
      aloem salirana loengsé,
      taja tangan pangawasa,
      sasat samar kana menjat,
      ladjeng Sang Praboe ngadawoeh,
      Lampoeng Djamboel ditimbalan.
    12. Radja Soenoe henteu ngari,
      soemping marek saréntjangna,
      ngadeuheusan ka Sang Katon,
      koe rama dihiap-hiap,
      Oedjang geuwat Oedjang geuwat,
      dioek deukeut oelah djaoeh,
      lampoeng Djamboel rék dititah.
    13. Djeung Kidang Panandjoeng deuih,
      tiloe oea Gelapnjawang,
      koe ama diindjeum kabéh,
      arék dititah moemoedja,
      djaoeh ka Goenoeng Padang,
      djeung teroes ka Bodjong Galoeh,
      moendjoeng sangkan iboe damang.
    14. Eh oea-oea diperih,
      tiloean koedoe mariang,
      oelah rék diengé-engké,
      ka awak koela pertjaja,
      geura indit mararoedja,
      ka Goenoeng Padang maroendjoeng,
      ka Bodjong Galoeh neneda.
    [ 16 ]
    1. Réh Pamoenah Praméswari,
      ngandegna matak salempang,
      banget nahnaj lesoe loengsé,
      béda ti pamarantian,
      moendjoeng neneda berekah,
      oelah kadadawan kitoe,
      moega lansar sabiasa.
    2. Harita Sang Ratna Déwi,
      mahanan doepa djeung menjan,
      anoe ngabakoe dianggoe,
      sarat toembal geusan moedja,
      tali paranti biasa,
      sawaragad bahan moendjoeng,
      djoeng tiloean mararangkat.
    3. Gelap Njawang sisirindil,
      tangginas djég lakoe peutjang,
      boedar-badeur henteu petot,
      Lampoeng Djamboel ditoempakan,
      saparat djalan ngotjomang,
      ngomong koering kaka ripoeh,
      njoesoel jaksa djalangkorang.
    4. Ari Goenoeng Padang tebih,
      anggangna ti Padjadjaran,
      lalakon dalapan poé,
      djalan ka leuweung gerotan,
      enggon maoeng djeung badak,
      anggot deui Bodjong Galoeh,
      di djalan aja boelanna.
    5. Meunang doea tiloe peuting,
      Kidang Panandjoeng lampahna,
      édas kana toeang rewog,
      naon baé noe kapendak,
      maoeng oentjal djeung santja,
      diala teroes didoeroek,
      radjeun ditamboel atahna.
    6. Sanggeus noe loemakoe tebih,
      kotjap di nagri noe tinggal,
      Asmoenalarang geus atoh,
      miarsa tiloe pangemban,
      kabéh keur ditimbalan,
      manah boengangang kalangkoeng,
      ngoembar pangadjak amarah.
    7. Teu aja noe matak miris,
      ras enggeus oedar karingrang,
      ngan Nji Demang noe ngarorok,
      rék njoba ka Pangdadaran,
      raina badé ditjandak,
      ka rama Patih mioendjoek,
      ka panajogjaan rék mangkat.
    8. Saoerna abdi pribadi,
      teu rek mawa batoer réa,
      sok moen si Tandesan baé,
      ka tiloe si Papagratang,
      lahir Patih prajoga,
      ngan ama maksa rék miloe,
      bisi aja pantja baja.
    9. Sembah poetra mangga ngiring,
      sapikersaeun djeng rama,
      lahir rama isoek baé,
      peuting-peuting oerang miang,
      gandék geus ditimbalan,
      Ki Djambi sareng Ki Djadoed,
      panakawan kapatihan.
    10. Kotjap Radja Soenoe Adji,
      saleumpang tiloe pangemban,
      ngan reudjeung Nji Demang baé,
      réa ogé boedak pasar,
      réncang noe ngiring amengan,
      noedjoe dina hidji waktoe,
      angkat njoempitan titiran.
    11. Doemadak sanggeusna tebih,
      mendak sahidji titiran,
      sorana meloeng sor gedong,
      boeloena semoe tjarambang,
      moetoeh loetjoe léléwana,
      hiberna teu daék djaoeh,
      saban eunteup ngong disada.
    12. Sang Radja Soenoe katadji,
      éta manoek hajang beunang,
      ongko-ongko ngadodoho,
      tapi rék ditéwak ngedjat,
      hiber teu daék anggang,
      saban eunteup enggoek-enggoek,
      léléwa kawas njaloekan.
    13. Koe Radja Soenoe dikintil,
      ditoetoerkeun salakoena,
      beuki djaoeh-djaoeh baé,
      anoe ngiring diboeboerak,
      réhna matak ngagamahan,
      ngalangkoeng ka saoeng singkoer,
      ti djami ngaliwat reuma,
    14. Taja pisan noe tingali,
      Soemawonna noe njarengan,
      éstoe ngan njalira baé,
      Kotjap Dén Asmoenalarang,
      sabadéga teu tingal,
      isoek harita geus moeroed,
      kersana ka Pangdadaran.

    Aja samboenganana

    [ 17 ]

    PANOEHOEN REDACTIE

    Oepami moal ladjeng djadi langganan, moegi ieu diwangsoelkeun deui, sawangsoelna oepami bade ladjeng ngalanggan ieu briefkaartna saparantos dieusian kedah énggal dikintoenkeun ka Redactie.

    Hoermat Redactie.

    1. Ting. Dr. Hoesein Djajadiningrat. Crit. beschouwing v/d Sadjarah Banten.