Poesaka Soenda 1922-10-1(04)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1922-10-1(04)  (1922) 
by Pagoejoeban Java-Instituut

[ 49 ]

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

:-: JAVA-INSTITUUT  :-:

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT: – GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN


Eusina nommor 4.

Babad Tjirebon 49
Piharoer Redaksi 62


Babad Tjirebon

(Beunang njoetat Soeria di Radja, tina boekoe verhandelingen van het Bat. Gen. van Kunsten en Wetenschappen djilid LIX, karangan Dr. J. Brandes).

Katjaritakeun Kangdjeng Radja Padjadjaran kagoengan .... [ 50 ]raos Iedjar hègar panggalih, nimbalan soepaja ngabagikeun doenja barana ka pakir miskin, sarta omat-omatan dawoehanana soepaja èta anoe doea tamoe tèa ogè koedoe diloengsoer linggih. Panghoeloe Kadi Djamaloedin ngemban timbalan Kangdjeng Soeltan angkat ka Masdjidilaksa mendakan èta doea hadji oerang Soenda tèa.

Sasoempingna ka masdjid, gok patepang sareng pok Panghoeloe Djamaloedin njarios ka tamoe noe doeaan tea, jèn arandjeunna, tèh èstoe pinanggih bagdja tanpa wilanganana nepi ka iasa djarah ka Bètalmoekadas ka makam para nabi. Sarta koe andjeunna ditjarioskeun, jèn nja di dinja tempatna Kangdjeng Nabi Ibrahim neneda ka Pangèran moendoet soepaja poetra-poetrana iasa djaradi radja djoemeneng Nabi. Nja tinekanan kaloengsoran wahjoe katibanan pangandika Pangèran, dikaboel penoehoenna poetrana anoe djenengan Ishak didawoehkeun baris ngaroendajkeun Nabi-nabi djeung radja-radja.

Sanggeus kitoe Panghoeloe Djamaloedin njarios, jèn Kangdjeng Radja baris sidekah ka pakir miskin, djeung ka para hadji sadaja, sarta èta tamoe anoe doeaan tèa ogè koedoe miloe saroemping ka nagara, noeroetkeun sakoemaha atoeran anoe geus galib di dinja.

Radja Tjakra Boeana sareng raina, nganoehoenkeun kana pangangken Panghoeloe, sareng njoemanggakeun kana pangangkirna toemoet satimbalanana.

Katjarios di nagara harita geus ger ngabagi sidekah, djelema mani djedjel heurin oesik, ti soeklakna ti sekloekna pada koempoel, soemawonten para oelama-oelama mah toengkeb sadaja, sarta walatra pada kabagi rata nampi pasihan ti Kangdjeng Soeltan.

Sabada ngabagi-bagi sidekah nembè tatamoe oerang Soenda anoe beunang ngangkir tèh koe Kangdjeng Soeltan ditemonan. Barang ret ogè ningali ka Nji Dalem Santang, parantos aja kereteg sir ing galih, soeroep nantjeb kana kalboe. Ènggalna, dawoehanana ka Radja Tjakra Boeana: „Hè oerang Soenda, koela aja paneda, soegan andika sapoek, adi sampéan koe koela arèk dipigarwa didjieun pawarang, ngaganti pramèswari anoe geus tilar doenja.”

Pioendjoek Radja Tjakra Boeana: „Langkoeng saè njarios koe andjeun ka djinisna, margi poen adi tèh awèwè anoe geus balèg. Oepami djinis poeroen abdi mah moeng sedja djoemoeroeng, sarta ngoetjap soekoer Alhamdoelilah.”

Ti dinja Kangdjeng Radja Banisrail ngadawoeh ka Nji Dalem Satang, dawoehanana: „He istri Soenda, kalawan paidin sadérék andika, kaoela toemaros, moegia sampèan oelah rengat galih, rèh kaoela neda soeka, manawa sampean loentoer manah, kersa dipigarwa koe kaoela, baris didamel pramèswari.”

Ari walon Nji Dalem Satang: „Noehoen, Ratoe kersa mileuleuheungkeun ka koering, oerang Soenda, anoe sakieu nja kanistaan, koerang loeang toena pangabisa, kawoewoeh di dieu koering toemamoe, teu terang ti tata titi, tatambangan kabiasaan nagara_pangoembaraan.”

Dawoehan Kangdjeng Radja: „Èta oelah jadi ati, anoe diteda koe kaoela ngan soeka rilana baè.”

Saoer Nji Dalem Satang: „Sim koering sedja toemoet, ngiring sakersa Maolana, moeng aja tandjakan saeutik, mangga koering dipigarwa, oepami Maolana djangdji, jèn sanggoep bakal noeroenkeun poetra pamegat, noe baris djadi wali sadjati, ngaratoean noesa Djawa anoe pingaliarkeuneun agama Kandjeng Nabi, korona tanah Djawa masih kènèh boeda.”

Kangdjeng Radja Banisrail kèndel ngadangoe pamoendoetna eta istri, sarta meleng moentang ka Pangèran, moemoedji ka Goesti noe Maha Soetji, rèh hèbat ngadangoe pioendjoek, istri tamoe Soenda, anoe sakitoe linoehoengna.

Sanalika harita kènèh Kangdjeng Radja kaloengsoeran wahjoe nampi wisikan Goesti Kang Maha Soetji: „He Hoeda, sanggoepan koe andika pamèntana èta istri.” (Kieu Djawana: Adan sawara karoengoe, ametik ing karna adji, hè Hoeda, adja koemlamar, ja ikoe wisik sedjati, wadon ikoe sanggoepana, kalawan idin Jang Widi).

Nja enggal koe kangdjeng Radja disanggoepan. Njai Dalem Satang harita [ 51 ]digentos djenengan Sjarifah Moedaim, nja kitoe deui Radja Tjakra Boeana sabot andjeunna aja di Mesir djenenganana digentos Hadji Abdoellah Doeliman.

Ti dinja broel sadaja djengkar ka Mekah diiring koe para poenggawa para mantri, baris akad nikah di Mekah, di pajoeneun para Imam. Sasoempingna ladjeng rèndèngan diwalian koe Hadji Abdoellah Doeliman, ari anoe ngidjabkeunana Imam Sjafiï. Saparantos nikah teu boeroe-boeroe maroelih ka Bannisrail, ngendek heula di Mekah, sarta dina sasih Rabioelawal nembè arangkat ka Madinah, djarah deui ka makam Kangdjeng Nabi. Di Madinahna lami deui, sareng dina sasih Radjab Sang Poetri Moedaim ngaraos ngandeg parantos doea sasih. Sabada boboran Siam, ti Madinah arangkat deui ka Mekah doegi ka sasih Sapar, brol Hidajat Sarip (nja èta Soenan Goenoeng Djati) dibabarkeun. (Dina taoen Hidjrah 795 boelan Sapar, ninggang taoen 1308). Saparantos 40 dinten broel maroelih ka Mesir.

Sigegkeun anoe goegah babar katjarios Hadji Doeliman, moendoet paidin ka sadèrèkna baris moelih ka Djawa, nja èta badè ngalalanjahan sareng ngotjal-ngotjal ngaislamkeun Padjadjaran.

Sasoempingna ka Padjadjaran ladjeng ngamalkeun sareng ngaiarkeun agama Islam, namoeng Praboe Siliwangi, teu kènging dionggèt-onggèt, toekoeh toehoe keukeuh pageuh njepengna agama kaboedaan. Nja toengtoengna Hadji Doeliman ditoendoeng ti Padjadjaran, ladjeng angkat ngètan soemping ka Koewoe Tjirebon. Èta koewoe pakasabanana kana ngala rebon (hoerang laleutik, rarong) keur njieun tarasi, anoe biasa dipakè majar oepeti ka Padjadjaran. Hadji Doeliman dipoeloeng mantoe koe Koewoe Tjirebon, nja kagoengan poetra doea anoe pameget Pangèran Tjirebon, anoe istri Nji Mas Pakoengwati. Anoe pameget tjalikna di Tjirebon girang, ari anoe istri di padèsan Dalem Ageung tjaket Padjala gerahan. Tatapi Ki Koewoe toemetep di Lemah Woengkoek. Ari Hadji Doeliman njirnakeun salira ngadamel hidji patapan anoe diseboetna Sang Noer manik tjipta giri sirengga, di dinja linggih sareng rèntjangna doeaan tjandak ti Arab, anoe hidji ngaranna Lanang Maolana Hoeda, anoe hidji deui Lanang Maolana Djapar.

Sigegkeun anoe parantos mandita, katjarios di Banisrail, Kangdjeng Radja Maolana Mashoeda poepoes ngantoen poetra doea anoe baroerej kènèh, nja èta Sarif Hidajatoellah sareng raina anoe djenenganana Noeroellah. Koe margi poetra-poetra teu atjan iasa mangkoe kadaton ngagentos rama, nja ngaheujeuk nagara diwakilan koe sadèrèk ramana, djenenganana Radja Onkah, djadi radja ngantos poetra-potra sawawa.

Radja Poetra Sarif Hidajatoellah anoe digadang pingagentoseun ramana sapaparantos balèg, badè dipisrahan kaprabon, namoeng andjeunna nandoek welèh teu kersa, teu kagembang koe kaagoengan noe ngaraos salirana sanès ka dinja pilojogeunana. Geus biasa noempi di noe sepi, tatapa ngisat salira. TOetoegna Sarip Hidajat loemebet ka Gedongy Samar, mendak sahidji peti kantjana, braj koe andjeunna diboeka bèh eusina kitab sahidji, tètèsan toelisan emas, oengelna Oesoel kalam, babaran hakèkat Moehamadiah.

(Kieu Djawana: Melebet ing gedong samar, amanggih sanoenggal peti, emas dèn sigra binoeka, kapanggih ana ing kono, kitah atoelis kentjana, anenggih Oesoel kalam, kang tjinarita ingrikoe hakèkah Moehammadiah).

Satoetasna njerepkeun eusining peti, pangadjak soerahna kitab, manahna tjengeng manteng hojong patepang sareng Kangdjeng Nabi, nja moendoet widi ka iboena baris djengkar ngoengsi ngilari Kangdjeng Nabi, nèangan Rasoelloelah.

Awit koe iboena dipagak, dipoekproek-poekproek koe woeroek, ditjarioskeun jen Kangdjeng Nabi Moehamad geus poepoes, taja peta bisa kapendak nadjan dihaben disaksrak ogè. Malah koe iboena didawoehkeun, jèn kiwari djaman bihari, bèda deui djeung baheula, baheula mah enja, djaman Kangdjeng Nabi Isa, Kangdjeng Nabi Daoed anoe poepoes tèh radjeun hiroep deui. Tatapi kiwari mah ngilari Nabi noe geus tilar doenja, taja peta laksana mo bisa kapendak, gaplah moebah tanpa goena. Koe iboena dihaben dioepah-apèh [ 52 ]lantaran baris didjoengdjoeng loenggoeh, diangkat ngadjadi Radja. Nja kitoe deui koe Radja dihaben dipoentangan diririhan rèh baris dipasrahan karadjaan.

Namoeng Sarif Hidajat welèh teu kenging dionggèt-onggèt, tetep anteb manahna tjengeng hojong tepang sareng Goesti Rasoel, tansah moendoet paidin sepah.

Koe andjeunna disaoerkeun ka Radja Oenkah, jèn tjengenging panggalih teu kenging dihalang-halang, nadjan andjeunna dipaksa ngadjadi radja, di djadina ogè tangtos moal lana, noe mawi anoe baris nampi waris djadi Narpati, dipasrahkeun baè ka raina anoe djenengan Noeroelah tèa, margi toenggal poetra Kangdjeng Radja sawargi.

Katjarios dina hidji wengi, Sarif Hidajat tengah wengi soedjoed ngaras ka pangkon iboe, pamit badè djengkar, njatjapkeun pangadjak manah.

Iboena nangis djoemerit Ies-les kapioehan, tina sanget abot badè dikantoen koe poetra, raos salira noeggelis. Namoeng barang lat andjeunna kapidara, braj ningal soroting gaib, djanggèlèk rakana anoe geus wapat, Kangdjeng Radja Banisrail soemping, sarta wangsit koe saoer njatjas: „He Moedaim, moega oelah dipake tjeurik njeri ati, pasrahkeun ka Pangèran, naha goes lali kana djangdji, tandjakan paneda awak, waktoe oerang arèk amprok. Tinekanan laksana paneda, moedoe soedjoed soekoer soemerah ka sakersa Goesti, anggoer djoeroeng koe pindoenga, kapan moenggah pindoenga tèa, opat djalan noe dikaboel, nja èta hidji pindoenga sepoeh ka seuweu, ka doea pangdjoengdjoeng Ratoe, katiloe bidjil ti Nabi, kaopat pangdoengana oemat anoe keur nandang kaniaja noe lian.”

Saparantos iboena ngadangoe wangsiting Goesti, manah ginandjar langsa djanglar, soemerah ka noe Kawasa, neneda djoemoeroeng lakoe.

Katjarios Sarit Hidajat angkat saparan-paran, teu kendat moentang ka Pangèran, siang wengi asroek-asroekan mileuweungan migoenoengan. Nepi kana wantji Asar, lirèn ngaso samedi handapeun kai bada netepan djoeng deui angkat, sarta tiloe dinten ti harita mendak goeha batoe imah naga. Sang naga ngakak bidjil semoe ambek, moeroe anoe nembé soemping, bari ngomong kawas djalma: „Hè nonoman, saha andika mana koemawani-koemalantjang loemantoeng ka tatar tempat kaoela, naon nja pisedjaeun, da tara aja djalma noe ngagadabah ngambah ieu patempatan!”

Enggal koe Sarif Hidajat diwaler: „Kaoela djelema sasab, kasasar ka geusan andika, karep koela soemedja ngilari Nabi, hajang tepang djeung Rasoelloelah.”

Sang naga bèngong ngoeping pangwalon, sarta pok ngomong: „Kapan Nabi mah geus teu aja di kieuna. Tapi kitoe deui da moenggoeh Goesti mah tara kahèlokan kasamaran, ngan soegan djeung soegan baè aja kadar andika iasa patepang, moega aja pitandang pangoendjoekkeun poedji salawat kaoela!”

Sanggeus kènging toedjoeh dinten antawisna, djog soemping ka sisi laoet, gok patepang deui sareng hidji naga, gedèna tandingan pasir, moentab-moentab moengsrat sorot kawas seuneu, soengoet tjalawak matak gila, lèlèwa kawas arèk neureuj boeleud.

Naga, ningal Sarif Hidajat teu gèdèr teu gimir teu aja pasemon miris, pok sang naga tèh nanja: „Hè manoesa, andika djelema naon, wani teu aja kagimir, ti barang koeala ingkar ti naraka djahanam, kaoela kakara mendak anoe wedel tohaga manah, da nadjan bangsa naga deui ogè kabeh soedjoed pada adjrih migoesti ka kami, naha ari andika taja kagila wawanèn mendak ti mana, he djadjaka!?”

Sarif Hidajat ènggal ngawalon: „Kaoela tedak Banisrail, indit niat njoengsi Kangdjeng Nabi, sedja nepangan Rasoelloelah.”

Barang sang Naga Jamlika ngoeping dawoeh Sarif Hidajat, poerengked ladjeng moeroengkoet awakna ngarioet lemboet, bari njambat neda toeloeng, pokna: „Hè nonoman, nja saè kaoela anoe ngaran Jamlika, sedja neda pitandang sampèan oepama kadar tinekanan iasa laksana tepang kalawan Rasoel, moegi pangdongkapkeun poedji-salawat djasad kaoela ka Nabi, karana èta teu samar deui, tangtoe [ 53 ]djadi tamba sakabèh anoe pinanggih siksana naraka djahanam tèa.”

Saparantos tamat tjaritana Jamlika, Sarif Hidajat djengkar deui angkat mapaj-mapaj kikisik, teu lami soemping ka sakidoeleun Esjam, ngalangkoeng enggon padoemoekan doerga, doerbiksa djeung iblis.

Barang kira-kira geus opat welas dinten angkatna Sarif Hidajat ningali hidji pandita, loempat napak kantjang ti tengah sagara. Sarta barang gok patepang, pok pandita mariksa: „Hè nonoman, sampèan saha, ti mana nja lemboer matoeh dajeuh maneuh, bandjar karang pamidangan, djeung naon nja pisedjaeun pang andika dongkap ka dieu?”

Koe Sarif Hidajat diwalon: „Kaoela ti Banisrail, ngaran katelah Sarif Hidajat, ari pang kaoela tjoendoek ka dieu, niat sedja nepangan Rasoelloelah.”

Pandita sasaoeran: „Kapan Nabi Moehamad mah geus wapat, geus lami moelih ka Kalanggengan. Djadi ana kitoe andika teh boga karep anoe djero pisan. Ajeuna mah langkoeng saè sareng baè djeung kaoela, djarah heula ka koeboeran Nabi Soelaèman, anoe ajana dina noesa itoe. Engkè sabada djarah ka dinja, nembè saè ngaladjengkeun paniatan andika.”

Koe Sarif Hidajat èta pandita ditaros: „Ari andika saha nja djenengan, sareng naha mana djol ti tengah sagara?”

Waleranana: „Kaoela tèh djelema koena, ngaran koela Afani, ti baheula boga karep rèk djarah ka koeboeran Nabi Soelaèman, itoe anoe ajana di poelo itoe, tapi welèh teu atjan laksana, lantaran halangan koe naga-naga anoe peurahna katjida maratihna. Ajeuna kaoela pang balik deui tèh arèk nèangan tarèkah pitambaeun geusan nawakeun peurahna naga, atawa sarat sangkan èta naga sarèrè oelah ganggoe ka kaoela soepaja koela bisa handjat ka èta koeboeran.”

Satoetasna anoe sasaoeran, oedjoeg-oedjoeg djol baè Jamlika datang ka dinja, nja èta naga anoe kapendak koe Sarif Hidajat kapoengkoer tèa, sarta omongna: „Kaoela anoe pibisaeun noeloeng andika tèh, dapon dibèrè nginoem soesoe baè saseubeuhna, engkè tina tjeuli kaoela bakal aja kantèh anoe bidjil, tah èta pisarateunana noe matak tawa kana peurahna sakabèh naga.”

Pandita Afani soeka boengah tanpa tanding, ladjeng njandak soesoe tiloe sangkoe, sok dipaparinkeun ka Jamlika. Harita kènèh Jamlika mabok, sarta kantèh anoe kaloear tina tjeulina ènggal koe Afani ditjandak.

Ti dinja pandita Afani angkat napak kantjang deui ngambah sagara diiring koe Sarif Hidajat, sarta teu aja sakara-kara wiloedjeng saroemping ka noesa tempat makamna Nabi Soelaèman tea. Barang saroemping ka tjaket paèsanana, atra katingal K. N. Soelaèman, soemarè dina katil, ngempoer hibar tjahja: pameunteuna, matak sèrab mata hèbat anoe ningal. Pananganana sabeulah kana tekoena sabeulah deui disidakepkeun. Sorot lèlèpèn anoe dianggo, anoe disèboet „tjingtjin mamloekat” moeroeb moebjar matak njaangan ka sakoeliahna, tjahja noendjang ka kalèr ka kidoel.

Sotja anoe goemebjar lir ngagiler maparin isarah, njingkahkeun anoe soetji galih, oelah sakolih djeung noe salah sèrong manah.

Sabot Sarif Hidajat neuteup lajon noe soemarè, Afani tandang ngodjèngkang rèk maling tjingtjin, sareng tjameti anoe soemanding dina paèsan. Tapi sapada harita tjingtjin tèh medalkeun gelap, ngadjegèr njamber Afani noe djoelig ati. Leboer adjoer djadi leboe Afani ngemasan pati. Atoeh Sang Anom Sarif Hidajat kabawa tjilaka kahèmbos gelap, nepi ka kepetjatkeun kana mèga. Andjeunna djoemerit sadjeroning galih, tobat njambat ka Pangèran, tina teu oeninga kasarad pandita sasab. Kersaning Kang Maha Soetji, andjeuna ragrag kana poentjak hidji goenoeng, ninggang ka tjaket tempat hidji pandita anoe keur tatapa, njandingkeun sahidji kendi mirah woeloeng, goemilang tjahjana terang.

Ènggal Sarif Hidajat ka Sang Pandita oeloek salam, bari mariksakeun kendi naon èta noe disandingkeun kae andjeunna.

Koe Pandita ditjarioskeun jèn andjeunna teu oeninga, sabab ti barang soemping tatapa di dinja, èta kendi geus njampak. [ 54 ]Saoer Sarif Hidajat: „Tjobi koe sampèan pariksa èta kendi, ti mana asalna pang aja di dieu.”

Noe Tapa ngawangsoel: „Di mana teuing aja kendi bisa ngoetjap tjara djelema. Mangga baè koe andika pariksa ari iasa mah!”

Koe Sarif Hidajat èta kendi dipariksa, dawoehanana: „Hè kendi, manèh tèh ti mana nja asal, djeung koemaha noe matak aja di dieu?”

Kersaning Allah èta kendi ngawangsoel: „Koeala kendi ti sawarga, nganti Toean, ti kapoengkoer kaoela ngantosan, ti djaman Nabijoellah Enoh kènèh. Mangga ieu tjai eusi koela geura leueut!”

Koe Sarif Hidajat kendi ditjandak, ladjeng tjaina dileueut, namoeng teu kantos sèèp, sok baè diteundeun deui.

Kendi tèh njoendoel pioendjoek: „Koe margi tjai teu kantos sèèp dileueutna koe Toean, èta djadi totondan jèn isoek djaganing pagèto poetra poetoe Toean ngastana kakawasaan bakal kaselang koe anoe lian.”

Sarif Hidajat ngadangoe pihatoer kendi kitoe, ènggal kendi ditjandak ladjeng tjaina dileuleut deui.

Kendi teh pok oedjoekan deui: „Hè Nonoman, lantaran Toean ngaleueut dipondo deui èta djadi tawis, poetra poetoe kaselang asor, tinakdir Jang Widi kersaning Pangèran, amoeng tiba loemoenggoeh kaboepatian, margi tjai aja kantoenna saeutik.”

Saharita kènèh kendi moemboel ka langit les teu katingali, leungit tanpa lebih ilang tanpa karana.

Anoe tatapa tèa hookeun teu ngoetjap sakemèk hèmeng galih, ningali tingkah pari polahna kendi miwah Nonoman noe nembè soemping.

Saingkarna kendi ti pajoeneun, Sarif Hidajat oeloek salam ka noe tapa, ladjeng djengkar neraskeun pelenganana.

Salikoer dinten antawisna bèh di langit andjeunna ningali sahidji istri geulis kawanti-wanti èndah kabina-bina, tjarèk dina babasan tèa mah, ngagandeuang angkat ngawang-ngawang. Sarif Hidajat tjoemeloek, ngagentraan istri noe ngalajang katingal, dipariksa istri ti mendi, sakalian andjeunna moendoet pitoeloeng, neda dipangnoedoehkeun ka mana djalanna, brasbrasanana geusan angkat ngoengsi Nabi.

Namoeng istri djongdjon tonggoj baè angkat, teu mirosèa ka anoe mariksa.

Sarif Hidajat toemarosna henteu mindo.

Teu lami bèh atra deui tjahja montjorong di awang-awang, awas njatjas katingalan, satria nonoman kasèp, lir roepi boelan poernama sorot montjorong tèmbong. Koe Sarif Hidajat ditaros deui tjara toemaros ka istri noe tadi tèa saoerna: „Hè djadjaka anoe linoehoeng, andika anoe ti mana, sareng moega aja pitandang kersa maparin piterang, toedoehan djalanna geusan koela doemeuheus ka Nabi.”

Tapi nja tjara tadi baè, djadjaka tèa ogè teu miroséa.

Harita ngèng aja soara nongtorèng karoengoe, oengeling wartining Goesti: „Hè Nonoman, oelah mantjat tjtpta èta manawa salira tjatjan oeninga, moenggoeh istri anoe tadi, èta njatana doenja, ana salira kagèmbang kasarad èta, sinigeg poegag nja lampah, pasedjaan tan wandè moal laksana, njatana moal papendak lan paniatan andika. Ari djadjaka anoe katingal tèa nja woedjoed Iblis ginelar. Oepama èta marinan pitoedoeh, djadi gogoda rantjana, andika wandè moengkoer ti Goesti, nja padjaoeh ti Rasoel, mi lain anoe sajakti, mi enja noe tanpa goena!”

Sarip Hidajat soemoedjoed ka Wangsit Jang Manon, angkat kaloenta-loenta, tjoendoek ka nagara para Djin. Katingali nagri moeroeb moebjar hoeroeng hèrang, resik koe keusik angkik, batoe mirah djamroet woeloeng, permata inten bidoeri, tja..na ambar kostori, sanget sengit ngadalingding. Goenoeng-goenoeng ngadjoenggiring, djirimna emas sinangling, kakajon, salaka moebjar, djoekoetna boeloedroe aloes, èndah taja papadana.

Sarif Hidajat ngaraos hèbat ninggali kamoeljaan nagara. Barang Ratoe Djin ningali ka anoe soemping, hormat tadim pangangkenna, njambat ngadjak barang toeang, ngadjagrag disajagikeun doekoeh woeloeng, ganas biroe, sareng pirang-pirang warna boeboeahan ngagarèndang aramboetjoej. Di dinja Sarif Hidajat [ 55 ]nembè kersa, barang toeang, saparantos aja soara anoe miwarang, teu saè nampik redjeki pangasih goesti.

Satoetasna barang toeang, Sarif Hidajat ngawaler pamariksana Radja Djin, jèn andjeunna tetep antebing tèkad, pasedjaana ngilari Rasoelloelah.

Koe Radja Djin ditjarioskeun, jèn oepami hojong tepang sareng Nabi, kedah toemoet moendoet pitoedoeh, toeh ka noe toenggang koeda tetegaran di langit, nja èta pisan anoe djenengan Nabi Hidir tèh.

Sakèdat nètra noe toenggang koeda tèh moesna.

Di dinja Sarif Hidajat kènging deui wahjoe ilapat nongtorèng soara gaib, wangsit Kiraman Katibin: Njatana loka èta, lalangsè koemèndoeng asri, tempat gapoera moelja, kadang kala matak njasab kasasar, noe bingoeng tangtoe kasaroeng. Para nonoman mangkana waspada, tigin ati-ati, jatna manawa kasarad lampah, toemindak ing tempat gelap. Kana tempat peteng dedet, enjaj-enjaj sorot tjahja, gedèna saliang djaroem.

Sarip Hidajat dièmoetan koe pitoedoeh, jèn waktosna netepan soeboeh.

Sabadana geleboeg angin poejoeh lilimboengan, Sarif Hidajat latlatan katebak topan, njaj tiahja tandingan ramboet, sorot sinar ngeplak mantjoer, tjaang sakoeliah boeana, les kalenger Sarif Hidajat teu èmoet. Barang goegah soedjoed ka Jang Widi, sarta teu lami bèh tepang djeung Nabi Iljas, sok maparin raksoekan, rap dianggo, ngan tiba sasrek salira.

Ti dinja angkat deui, nja soemping ka patempatan geusan noe lampoes koe sabilloelah, kasondong sadajana ngagaleubra keur koelem, koelem tibra samemena, goegah-goegah bral pasiar, naritih koeda samparani, soemping brak bararang toeang.

Di dieu ogè Sarif Hidajat diangken dieugeuh-eugeuh, dipoepoedjoehkeun soesoegoeh.

Ti dinja pamitan angkat, satoetasna kènging wartos jèn tinangtos moal lami deui tinekanan laksana anoe disedja patepang djeung Rasoelloelah.

Andjeunna ningali paksi wilis, sarta teu lami bèh katingali Nabi Hidir rawoeh nitih koeda raspati, sasoempingna oeloek salam ka Sang Anom, sok masihan sahidji boeah sorga, sapertos anoe baheula geus ditoeang koe Kangdjeng Nabi Enoh tèa.

Koe Sarif Hidajat ditoeang, nimat taja tanding, boeah ngandoeng sèwoe raos, soemarambah rasana kana salira, soemerep ngaroeat tjahja, soeroep loemoengsoerna enoer.

Saparantos tarapti Nabi Hidir djengkar. Sarif Hidajat teu kantoen, ngabioer ngambah wiati, itjal rasa pantjadria, djog soemping ka masdjid agoeng, babahan mirah woeloeng araloes, njondong moengpoeng para agoeng, malaikat miwah para wali, arwah iman sabilloelah arwah moemin para nabi, berdjamaah sadajana.

Harita di dinja toetoegna maksoed, Sarif Hidajat kenging pawarta: „Hè Hidajattoelah, mangka waspada andika masing oeninga, nja èta njata djatina Nabi Moehamad!”

Sarif Hidajat ènggal badè soedjoed majoen ka Nabi Moehamad. Namoeng sanalika èta tjinegah koe anoe aja, jèn teu meunang soedjoed ka papada anjar, anging ka noe sipat kadim, soedjoed ka Allah Taala. Sarta di dinja Sarif Hidajat ganti kakasih, Sajid Kamil ginelarna. Dibaroeng koe toemoeroenna woeroek ing loehoeng, lapad Lailahha illeloh, njatana pati teu aja, soekma Sajid Kamil èta, satata tahapan daradjatna, kalawan wali oetama, nja soekma Kamil nja Allah.

Sajid Kamil moendoet sapaatna Rasoel, sangkan jasa nangtajoengan bandèrana kanabian. Kangdjeng Rasoel harita ngandika: „Masa Allah taala rabbi, karidhanning Allah salira andika.”

Sajid Kamil didawoehan goegoeroe anteb mandakawan ka goeroe loehoengna goeroe, karana andjeunna baris djoemeneng Chalifah Rasoel.

Satoetasna Kangdjeng Rasoel sirna moesna tina tingal, Sajid Kamil loenta kana mèga, loemoengsoer ka alam lahir, djoeg soemping ka Radja Djoemir, anoe keur noedjoe rioengan gempoengan, sareng para oelama pandita. Gèhgèr goejoer wirèh ngadak-ngadak peuting, peteng dedet poèk moengklèng boeta rata.

Nja Sajid Kamil di dinja didjoengdjoeng diagoeng-agoeng disoegoeh [ 56 ]dieugeuh-eugeuh, moeng teu lami ladjeng moelih ka Banisrail, nepangan iboe anoe kapoengkoer dikantoen.

Kangdjeng Iboe langkoeng-langkoeng soeka kalboe, ningali poetra geus rawoeh, diparios koengsi henteuna doemeuheus ka Rasoelloelah, malah dipoendoetan naon minangka olèh-olèhna.

Sarif Hidajat oendjoekan ngadadarkeun soegri anoe parantos karaos salakoe-lakoe kapoengkoer teu aja anoe kalaroeng, ditètèk naon noe kapendak di Bana Roekmi.

Atoeh Kangdjeng iboe Rara Satang, sakalintang bingah galih.

Lami ti lami Sarip Hidajat diperedih deui koe para bala ponggawa soepados nampa kanarpatian djadi radja ngagentos rama.

Namoeng Sajid Kamil tetep teu kersa, kapalajna baris ladjeng mandakawan ka goeroe anoe linoehoeng, njatjapkeun karana Allah.

Dina hidji dinten Sarif Hidajat pamit ka iboe, djengkar badè moenggah hadji ka Mekah, djarah ka Madinah, njandak arta panjangoean iboena rèana sarèwoe dinar, sareng tasbè sahidji. Di djalan dibègal koe sapoeloeh bangsa Jahoedi namoeng ningal soemerahna Sarif Hidajat, Jahoedi tèh toemoet anoet ditibanan Kalimah Kalih, sadajana sami ngiring moenggah hadji.

Di Mekah Sarif Hidajat djadi tjatrik Sèh Tadjoemoedin alkoebri molana Akbra, ti dinja gentos deui goeroe, ka Sèh Agoeng Ataoellahi Sjadzili, ngalap harkat djeung tapakoer, idjadjah hirah dikir. Saparantos wirid ka goeroe Maoelana Datoek Sidik di Soerandil, nja njabrang ka Noesa Djawa, loengsoer di basisir Banten, noe mangsa harita parantos Islam, nja ladjeng ka tatar Wètan nepangan Soenan Ampèl Gading, ti dinja ngètan deui ngaboedjeng Sèh Maskoer di Goenoeng Goendoel, noe maparin pitoedoeh kedah angkat deui ka Datoek Bahroel di Koedoes. Di Koedoes parantos nampi woeroek èlmoe sarèat tarèkat hakèkat sareng maripat, bablas sadaja taja noe djadi wagelan.

Namoeng Sarif Hidajat ngaraos masih toena, nja moendoet pirempag badè tatapa ngisat salira, njepi diri dina tjai. Ladjeng tapa di salebeting sagara, kalawan maoenat perbawa boeah anoe ditoeang, pasihan Nabi kapoengkoer èta.

Sarif Hidajat roeat koeat tedak Banisrail Mesir, poetoe Sjèh Djoemadilkabir, poetoe boejoet Sjèh Djoemadilkoebra, bao Sjèh Djènalkabir, tjanggah Sjèh Djenalkoebra, djanggawarèng Sjèh Djapar Sidik, oedeg-oedeg Sjèh Imam Djenalabidin, kaitsiwoer Sajidina Hoesèn, nja ari Sajidina Hoesèn tèa poetrana Bagènda Ali, wedalan Dèwi Patimah poetra Kangdjeng Rasoelloelah.

Sigegkeun anoe keur tatapa di djero tjai, njatjarioskeun salsilahna Wali-Wali di tanah Djawa.

1. Soenan Bonang.

Sjèh Djoemadilkoebra apoepoetra Maolana Samsoe Tamrès, djoemeneng pandita di Tjempa, kagoengan garwa ka poetri Tjempa, apoepoetra pameget doea nja èta Toebagoes Rahmat noe nelahna Soenan Ampèl sareng anoe kadoea Toebagoes Aliman. Ieu para poetra angkat ka Djawa sedja ngislamkeun Radja Madjapait, namoeng teu kaboel maksoedna. Moeng Toebagoes Rahmat dipaparin garwa poetri Madoera poetra Brawidjaja, nja linggih di Ampèl Denta.

Soenan Ampèl apoepoetra Molana Mahdoem Ibrahim, nja èta anoe nelah Soenan Bonang. Poetrana anoe kadoea djenenganana Pangèran Daradjat. Kadjabi ti èta aja tiloe poetra istri, Nji Gedèng Pantjoeran, Nji Gedèng Meloko, sareng Nji Gedèng Teloeke.

Anoe mawi ahirna Toeban katjepeng koe Soenan Bonang margi iboena tèh poetra Kiai Arja Tèdja di Toeban.

2. Soenan Giri Gadjah.

Sjèh Djoemadilkoebra kagoengan deui poetra anoe djoemeneng radja di Mesir, ieu apoepoetra Sjèh Sidik anoe djadi pandita di Pasèh, kagoengan garwa ka poetri Balangbangan, anoe masih kènèh boeda. Mertoeana diwoedjoek dihaben diririh-ririh, diadjak gentos agama sangkan biloek mandjing Islam, namoeng keukeuh baè nandoek, henteu oenggoet kalindoean henteu gedag kaanginan. Toengtoengna Sang Ratoe Malik bendoe ka mantoe, Sjèh Sidik ditibanan hoekoem ratoe, ditoendoeng [ 57 ]salira nandang diboeang, kapaksa pasah ti garwa, anoe noedjoe eukeur ngandeg bobot geus katiloe sasihna. Henteu katjarioskeun deui anoe aja di pangboeangan, kotjap garwa noe dikantoen di nagara parantos dongkap ka mangsana babar, brol poetrana pameget moeloes, namoeng anoe djadi èjang wera teu aja soedana, teu aja pisan rasrasanana, lantaran ngèwa tjoea ka mantoe, ka poetoe ogè soengkan ningal, tèga kapatipatina, nepi ka saharita kènèh loeng poetoe dipitjeun ka sagara, nimbalan ka kapertjajaan. Namoeng kersaning Yang Widi, sang baji waloeja teu sakara-kara, ngangkleung kabawa-bawa koe lambak, kasoeroeng-soeroeng koe aloen, kasarahkeun ka darat tanah Samarang. Kaleresan njangsang di kikisik kapendak koe hidji istri, anoe geus mandjing agama Rasoel, nampi wirid ti Soesoehoenan Ampèl Denta, djenenganana Nji Gedèng Panatian. Ladjeng baji ditjandak dimoemoelè dihadè-hadè, dikoekoet diangken poetra, didjenenganan Bagoes Semoedra. Moerangkalih loeloes moeloes teu aja koetjiwana, toemoet kana woeroek sepoeh, djoedjoer kana pangadjaran. Sanggeus ageung jadi santri kakasihna Soenan Ampèl.

Samoelihna ti Arab moenggah hadji sareng Pangèran Bonang, nja makoewon di Giri Gadjah, ngabawah Sidajoe katoet sareng Balangbangan, koe margi noemoetkeun warisan ti iboe margi iboe tedak Balangbangan tèa.

3. Soenan Koedoes.

Soenan Ampèl Denta kagoengan poetra istri, djenenganana Nji Gedeng Pantjoeran, kagoengan raka ka Soenan Oedoeng, anoe poetraan pameget nja anoe djoemeneng Wali di Koedoes.

4. Soenan Kali Djaga Oeloe.

Soenan Kali Djaga tedak Sjèh Aswa, roendajan Sjèh Djoemadilkabir. Demi Sjèh Djoemadilkabir apoepoetra Arja Sadik, djoedjoeloek Aria Toeban. Aria Toeban apoepoetra Radèn Arja Toemenggoeng Wilatikta, ari Radèn Arja Wilatikta apoepoetra Radèn Sahidoen, nja èta anoe ahirna nelah Soenan Kali Djaga tèa.

Nalika djadjaka kènèh kakongas katelengesanana andjeunna ngarandapan djadi bègal, digelar djelema djahat.

Pareng dina hidji mangsa keur megat anoe ngaliwat; lar ngalangkoeng Soenan Bonang, ènggal dihalang di tengah djalan dibègal dipoendoet oemoer, malah getihna baris Jadjeng dileueut. Koe Soenan Bonang ditadah koe sadrah, pasrah soemerah koemaha karsana, bègal diparinan terang jèn andjeunna mah henteu pidoenja, dalah leuweung alas bandawasa anoe di gèdèngeunana, barina ditoedoehkeun ka ki Bègal, jèn èta sadaja emas salaka. Barang ditingal koe bègal, tètèla kakajon di leuweung marakbak ngadjadi emas sadaja.

Ki Bègal babalik pikir, sedjana ngaleboer tapak, geus soemping ka Bonang, soedjoed tobat ka Sinoehoen, ladjeng andjeuna sataoen lamina disepi di djero taneuh, satoetasna salira dilokat, dipeuseuh koe sarat panjeuseuh, nembè ditibanan sahadat Kalimah Kalih.

Ti dinja andjeunna bioer ngalalana, mileuweungan migoenoengan, sataoen di lebet tapa, nja loenta ka tanah Malaka, tapa kènging tiloe sasih. Toetoegna lakoe andjeunna madèpokan di sisi waloengan (kali) nja nelah Soenan Kali Djaga, toemoet tempat panglinggihan, wangi-toeg tepi ka kiwari.

Toetoeranana anoe kakotjap, aja opat sadajana Wali anoe dibabarkeun di Poelo Djawa, nja èta:

  1. Soenan Kali.
  2. Soenan Koedoes.
  3. Soenan Giri Gadjah.
  4. Soenan Bonang.

Ari anoe opat deui dibabarkeun di tanah sabrang. Ieu bèrèndèlanana:

  1. Sèh Madja Agoeng.
  2. Maolana Maghrib.
  3. Sèh Betong.
  4. Sèh Lemah Abang

Demi Wali anoe ka salapan nja èta Soenan Goenoeng Djati, wedalan ti tanah Arab.

Satoetoegna Sajid Kamil njatjapkeun tapa di djero tjai, enggalna andjeunna djengkar ka Ampèl, kempel sareng para Wali sadaja.

Koe Soenan Ampèl diatoer sareng diperenahkeun, pigeusaneun para wali tjalik njebarkeun pangadjaran agama, [ 58 ]katangtosan wewengkonna satempatna-satempatna, Soenan Bonang di Toeban. Soenan Giri, Soenan Kali, Soenan Koedoes parantos pada kenging tjepengan, pada boebar ti Ampèl.

Katjarios mangsa harita Radèn Patah poetrana Radja Palèmbang parantos aja di Ampèl, ari sadèrèkna noe djenengan Dipati Teroeng, anoe katjeloek gagah rongkah noedjoe oeloen koemawoela di Maha Ratoe Madjapahit.

Dina hidji dinten Radèn Patah moendoet pirempag, goeroena nja èta Soenan Ampèl tèa, baris angkat ka Madjapahit hojong naloekkeun Sang Paraboe Madjapahit, sina biloek anoet Islam.

Namoeng koe Soenan Ampèl dihoelag, henteu dirempagan, malah dipaparin wawadi jèn lakoe kitoe teu koedoe goeroeng-goesoeh, henteu beunang koe peta garèwol, bok bisi Ratoe Madjapahit loehoeng istridjadna, matak aja mamalana.

Koe Soenan Ampèl ka Radèn Patah diterangkeun pantjakakina, jèn Ratoe Madjapahit teh saèstoena teges rama Radèn Patah, ari papajanana nja èta nalika garwa Kangdjeng Peraboe Madjapahit, ngandeg doea sasih, dipaparinkeun ka Radja Palèmbang, ana bol ngowo nja Radèn Patah, djadi andjeunna mah ka radja Palèmbang tèh rama kawalon, sareng ka Dipati Teroeng moeng sadèrèk saiboe.

Tapi ari dipagak pisan mah henteu, nja kawidian tèa mah kawidian, kitoe ogè engkè dimana andjeunna parantos teu aja. Demi satoengtoeng masih djoemeneng kènèh andjeunna mah teu kènging, malah Radèn Patah ditimbalan langkoeng saè moeroek èlmoe njebarkeun agama heula, sarta koedoe mapaj ngoembara madjoe ngoelon. Baring soepagi oepama manggih mandjah anoe seungit kembangna, di dinja koedoe matoeh, nja èta tempat pinagaraeun.

Nja Radèn Patan angkat ngoelon, soemping ka tjaket dèsa Bintara, bèh mendak mandjah seungit ladjeng di dinja mabakan, ngadeg karang pamoelangan. Lami-lami lemboer woewoeh-woewoeh djembar, moengpoeng anoe ngadon tjitjing noe ngoembara soeka betah, boeniaga boeboeara, geus katjeloek diseboet pasantrèn Demak*).

Kangdjeng Ratoe Madjapahit ngadangoe aja babakan anjar anoe katelahna Demak, rada gedèr galih mingsir miris inggis ngadjadi nagri, ngalindih ka Madjapahit. Noe mawi Radèn Patah digandjar gelaran rangga ètang-ètang tatali panjangtjang sangkan oelah maroedah, katelah Rangga Bintara.

Ngaladjengkeun deui tjarios, malikan Sjaid Kamil tèa, andjeunna parantos nampi dawoehan ti Soenan Ampèl, jèn kedah angkat ngoelon ngaboedjeng ka Tjirebon, ditimbalan ngalinggihan Goenoeng Djati Semboeng pigeusaneun soeka betah ngadjalankeun kaoetamaanana.

Teu lami ti saparantos nampi dawoehan, djoeng Sjaid Kamil angkat djalan laoet. Nalika di tengah sagara andjeunna mendak (ningali) pasaran lajongna Radja Keling, anoe keur dirioeng-rioeng pada ngaroeboeng koe papatihna sareng para ponggawana, sadaja pada nandang soengkawa lantaran katinggal poepoes koe radja.

Patih Keling saponggawana saparantos dibeberah dileledjar, manahna nja palèr ogè, sareng sapada harita toemoet

_______________
*) Noemoetkeun babad Djawa, Radèn Patah tèh soempingna ka Djawa, doeaan sareng sadèrèkna saiboe anoe djenenganana Radèn Koesèn, ditimbalan koe Aria Damar Radja Palèmbang njanggakeun oepeti ka Madjapahit. Namoeng sakoemaha anoe parantos ditjarioskeun di loehoer, Radèn Patah mah ladjeng masantrèn di Ampèl, kitoe ogè awitna mah boeboenian baè henteu kaoeninga koe Radja Madjapahit. Ari Radèn Koesèn katjida diasihna koe èjangna, nja didjadikeun boepati (Adipati) di Teroeng, nja èta Soerabaja, anoe matak di loehoer diseboet Radèn Teroeng.

Ari Radèn ‘Patah kagoengan garwa ka Njai Ageng Maloko poetra sadèrèk garwa Sinoehoen, djadi poetoena Aria Toeban.

Babakan anoe didamel koe Radèn Patah tèh ajana di Demalakan, nja anoe lila-lila dipondokkeun djadi Demak tèa.

Ari anoe matak Radèn Patah katjida njongsrongna hajang nempoeh Brawidjaja, nja èta ramana tèa, lian ti hojong njepeng kakawasaan tèh, aja deui lantaranana, saperkara pèdah ramana welèh teu kersa anoet Islam, ka doea perkara pèdah di Madjapahit tèh poeserna agama kaboedaan di dinja seuseueurna artja-artja boeda sesembahan Brahma.

S. d. R.

[ 59 ]sapowoeroek Sajid Kamil, anoet kana agama Rasoel. Karèmpan kaseunggah patih Keling inggis di ahir balakang kalih pinanggih bantjang pakèwoeh, aja anoe njoesoel ti Keling, koe Sajid Kamil ditanggel disambadaan, jèn andjeunna anoe bakal pingajonaneun.

Pasaran ènggal diroetjat digarotong dibantoen ka darat, angkat ngariring ka Sajid Kamil.

Sasoempingna ka Goenoeng Djati, tilas pasaran teh nja ditjipta (didamel) „langgar patani” anoe ajana di Goenoeng Semboeng.

Sajid Kamil soempingna ka Tjirebon tèh mendak lajan, rèh gok tepang sareng sadèrèk iboena, anoe djenengan Hadji Abdoellah Doeliman tèa. Atoeh sakalintang baè gerah manahna, rèh ajeuna kaleresan iasa sakoemboeh, rioeng moengpoeloeng sareng wargi-wargi, nja èta Nji Dalem Pakoengwati, Pangèran Tjirebon girang, sareng Koewoe Tjirebon, anoe sadajana pada sabiloeloengan, sapatèkadan henteu todjaiah niat. Atoeh arandjeunna tèh woewoeh-woewoeh djodjoh sareng toemaninah tiasa sakoelah-sakolih, enggoning ngaladjengkeun hantjana ngaliarkeun agamana.

Doepi oepeti tarasi anoe geus biasa ti kapoengkoer-poengkoerna oenggal taoen dikintoenkeun ka Padjadjaran tèa, ti wangkid harita mah pet baè teu aja njaosan deui.

Atoeh Sang Ratoe Padjadjaran sanget hèmeng, tina tara-tara ti sasari, mariksa naon gara-garana. Anoe mawi ladjeng baè ngoetoes kapetengan katoet ponggawa sagagamanna, baris naloengtik anoe djadi margi, mariksa naon anoe djadi lantaran.

Broel para oetoesan miang ti Padjadjaran; barang djol darongkap ka poentjak Goenoeng Koromong, sadajana ngembang kadoe tina sanget kagèt, ningal koewoeng-koewoeng anoe ngempoer sinarna terang, goemawang di awang-awang, tjahjana noendjang kana poentjak Goenoeng Semboeng.

Haroong sadaja bengong ngawas-ngawas anoe djadi tangara, pada njangka kila-kila. Ana dihaben didareukeutan, kasawang ti Goenoeng Patahoenan, horèng njata sinarna manoesa binatara.

Tapi barang G. Semboeng didjadjal rèk diaroenggahan, dadak sakala pada laleuleus, laloempoeh, nahnaj taja tangan pangawasa. Toengtoengna oetoesan anoe boga niat nempoeh tèh pada serah bongkokan, biloek ka moesoeh, toemoet anoet kana woeroek Sajid Kamil.

Lawas ti lawas oetoesan anoe geus pada mandjing Islam tèh, pada moelang ka Padjadjaran baris narik Sang Ratoe, soepaja toemoet kana anoet Islam.

Sang Praboe Padjadjaran parantos tjondong manahna kana badè kagèmbang, malah lami-lami mah gilig galihna kana gentos agama, sareng nangtoskeun badè djengkar koe andjeun ka Goenoeng Semboeng, baris lebet kana Islam.

Namoeng barang badè djoeng djengkar, doemadak kasoempingan „Poerwakalih”, anoe toemoeroen ti langit, njeukseukan ka Sang Paraboe, sanget panjegahna kana ingkar tina agama asal. Kieu oengel pangandikana panjegah: Masing tètèla lantaranana, naon anoe djadi marga, pang radja robah manah, pondok heureut tjoepet boedi. Naha lali kana tjoepoe manik (asta gina) poesaka toeroenan ti Kagaloehan, anoe eusina minjak kahoeripan. Mana ajeuna tjoepoena, nja ajeuna tepi ka mangsa, Iamoen henteu digoenakeun ajeuna, iraha arèk dipakèna?

Ènggalna koe Sang Radja, tjoepoe manik ditjandak, harita kènèh dioelaskeun minjakna kana baloekang, ladjeng ditenggerkeun di tengah aloen-aloen. Moestadjab, sakedèt nètra saeusi kadaton moesna sirna sadaja pada ngahijang.

Ari koela-wargina anoe rèa katoet djalma eusi nagara, pada boebar katawoeran, sawarèh asoep Islam, sawarèh pageuh koekoeh njekel agama toetoeroenan karoehoenna.

........................................

Katjaritakeun sakoebrana Padjadjaran Hadji Doeliman, njanggakeun pirempag ka Sajid Kamil soepaja andjeunna ngadeg narpati, nampi warisan ti iboe, djadi radja ngerèh ti Oedjoeng koelon tèpi ka Tjipamali. [ 60 ]Tapi Maolana Djati teu kersa, lantaran badè mapag heula iboena anoe masih aja kènèh di Banisrail.

..................................................................................

Teu lami, antawisna ti harita djoeng Maolana Djati angkat ngaboedjeng ka Pangèran Makdoem, kersana badè goegoeroe, namoeng Pangèran Makdoem teu kersaeun, lantaran ngaraos teu werat pikeun ngawoeroek andjeunna, moeng P. Makdoem maparin pitoedoeh jèn kedah teroes ngoelon, karana engkè bakal mendak pidjodoeun.

..................................................................................

Katjarioskeun Ki Gedèng Babadan keur nandang kasoesah, lantaran pepelakanana kataradjang hama daoenna leumpeuh djeung pèrang. Andjeunna kaloear saoer: „Saha-saha anoe bisa noelak hama, pepelakan sing poelih deui tjara baheula bihari, koe aing bakal dipoeloeng mantoe, dibèrè anak awèwè.”

Maolana Djati djol soemping ka dinja, pepelakan dadak sakala haroerip deui seger sapada harita. Nja harita Maolana Djati kagoengan garwa ka Nji Mas Babadan.

Teu sakoemaha lamina ti harita aja deui anoe maparin pigarwaeun ka andjeunna, nja èta Pangèran Karana Kendal ngabaktikeun raina istri.

Ti Mesir aja hidji poetri anoe soemping lantaran ningali tjahjana katoembiri, anoe narik galihna kana ingkar ti nagara, ngilari Maolana Djati, soemerah raga djeung njawa, moendoet oeloen koemawoela. Namoeng koe Maolana Djati henteu ditampi djadi garwa atawa djariah, nja didjoengdjoeng diangken iboe, anoe mawi nelahna Baboe Dempoel, ieu tèh sadèrèkna Toebagoes Pasèh.

Katjarios Maolana Djati parantos rawoeh ka Banisrail tepang sareng iboe miwah koela-wargi sadaja.

Koe margi andjeunna mah welèh baè teu kersa kana nampi karadjaan, nja ladjeng raina anoe djenengan Noeroellah tèa anoe didjoengdjoeng loenggoeh mangkoe kadaton di Banisrail.

Di Bètalmoekadas Maulana Djati kantos ngadangoe deui Soeara Toenggal, nja kitoe deui nalika di Madinah. Sabot andjeunna di-Arab aja anoe moendoet lebet djadi moerid, nja èta poetra Radja Koebti djenenganana Ki Abdoelkapi, noe engkè di Tjirebonna katelah Ki Gedèng Gedogan.

Saparantos Maolana Djati djarah ka Madinah, nja djengkar ka Djohor, di dinja aja deui anoe ngagoeroe djenenganana Abdoelrahim.

Sasoempingna ka Moendjoel tjaket tapel wates nagara Tjina, andjeunna didodja koe radja. Radja nimbalan poetrana anoe istri sina tjara noe keur ngandeg, miwarang ditorah ka Maolana Djati, enja henteuna poetri keur bobot.

Barang Maulana Djati njebatkeun jèn èta poetri enja keur ngandeg, Radja tèh goemoedjeng sarta njatjampah pèdah njalahan.

Tapi samoengkoerna Maulana Djati, poetri enja mendejang ngandeg enjaan, atoeh iboe ramana ngaraos wirang, nja poetri ditoendoeng ditoempakkeun kana djoekoeng, didjangdjian di mana kapalna kandas, nja di dinja tempat pitjarogèeunana.

Doepi Maulana Djati moelih deui ka Banisrail mapag iboena baris ditjandak ngalih ka Djawa. Djengkarna ti Banisrail sareng iboena njandak doehoeng kanta naga, bedil emas, teteken enoer, sareng djimat salawat Nabi.

Di djalan arangkat heula ka G. Soerandil, nepangan Radja Lahoet, anoe roemaket lir sadèrèk pet koe hinis, èstoe sapapait samamanis, ngaraos sakoelit sadaging.

Barang saroemping ka Moeara Djati papendak sareng poetri Tjina anoe ditoendoeng koe ramana tèa, nja ladjeng ditjandak didamel garwa.

Ti dinja arangkat ka G. Amparan kempel sadaja, Rara Satang, Baboe Dempoel, Gedèng Djati, Rara Panas, Mas Pangoeragan, Nji Mas Pakoengwati.

....................................................................................

Kakotjapkeun Dipati Tjangkoeang dina hidji wengi ngimpèn aja anoe maparin pitoedoeh, ari saoedjaring impènanana andjeunna bakal poepoes anom-anom, oepami teu iasa manggihkeun hoerang sadjodo.

Kangdjeng Radja miwah papatihna anoe djenengen patih Gering, arangkat ngilari [ 61 ]hoerang pitoedoeh impènan, kaloenta-loenta tepi ka sagara. Di dinja kènging pitandang Maulana Djati dipaparin katrangan yèn èta hoerang anoe kaimpèn tèh, saenjana nja andjeunna sareng Baboe Dempoel. Radja Tjangkoeang sabaladna ngaraos tibra manah, ladjeng toemoet sawoeroekna Maulana Djati.

....................

Maulana Djati angkat ka Padjadjaran hojong tingali koemaha kaajaanana. Rawoeh ka tilas dajeuh parantos soewoeng. Anoe kantoen moeng hidji istri djenengan Poetri Kawoeng Ngantèn, ladjeng ditjandak moelih ka Tjirebon.

Maulana Djati moendoet pirempag sadaja badè migarwa Poetri Kawoeng Ngantèn, ladjengna rèndèngan. Nja ti ieu Poetri Kawoeng Ngantèn kagoengan poetra anoe djenenganana Sabakingkin anoe djoemeneng Soeltan di Banten tèa.


Samboenganana tingali
Poesaka Soenda No. 6.



[ 62 ]

Pihatoer Redaktie.


Sakoemaha anoe parantos kaoengel dina Pihatoer Redactie P.S. No. 3, jèn tawis mitjinta ka mitra-mitra tèh djalanna, koe ngadjak kantja langganan Poesaka Soenda. Èta tèh sajaktosna geus moal boa deui, ari margina P.S. tèh baris ngagoear pependeman anoe teu atjan ilahar kaoeninga koe sadaja. Geura mangga galih, iraha mitra-mitra oerang anoe tarebih piiajasaeunana ngoengkab kitab-kitab, boekoe-boekoe koropak-koropak anoe aja di Gedong-gadjah (Mezeum)? Tah èta anoe kitoe dina Poesaka Soenda basis dipedar, ditoengtoet didadar dibabarkeun sadajana.

Oepami rèntjang-rèntjang miwah mitra-mitra henteu ti ajeuna ditjandak moerak Poesaka Soenda, bilih kaporotan tèa margi engkè mah kapajoen, biheung kènging biheung moal P.S. ti awitanana.

Koe margi èta anoe teu atjan langganan P.S. moegi diwartosan koe anoe parantos langganan. Poesaka Soenda No. 2, 3 kantoen saeutik deui pisan moal langkoeng ti lima genep poeloeh lambar deui.

Poesaka Soenda tèh siga serat kabar namoeng sajaktosna mah boekoeroentoejan anoe pangaosna katjida mirahna.



[ 63 ]Kaca:Poesaka Soenda 1922-10-1(04).pdf/15 [ 64 ]Kaca:Poesaka Soenda 1922-10-1(04).pdf/16