Poesaka Soenda 1923-04-1(10)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1923-04-1(10)  (1923) 
[ 145 ]
No. 10
Tahoen ka 1
Mei 1923

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


145
 
[ 146 ]
146
 
[ 147 ]
147
 
[ 148 ]dilebetkeun ka kapoerrèn, pamingitan, sarta siang wengi dikoerihit diproekproek puek proek kue woedjoek sangkan kersa dipigarwa baris dipoesti didamel pramèswari, marèntah saensi poeri. Radja brana emas inten saensining karaton ditingalikeun ka Dèwi Sinta mah soemawonna kagèmbang tea, dalah gedang aja galih obah koo kabèngbat, èta teu pisan-pisan, èstoe pantjeg angger panger toehoe ka tjarogè, tina aetjap kana manah teu aja pisan mèntjogna.

Tina Rahwana geus tètèr, pangolona pangbibitna bandoe, Dewi Sinta diantjam Augsoka, didjangdjian lamoer dina djero daea welas boelan keukeuh ieu kersa toentoet kana pangadjakna, Dewi Sinta baris ditjatjag diwalang walang dipanggang arèk ditoeang.

Siang wengi Dèwi Sinta nangis saseunbai, ka Badara Rama, didjaga koe oara raksasi anoe teu eureun ngawoejoek djeung njingsieunan, sangkan toemoet saloeloel djeung Rahwana.

Batara Rama sareng Laksamana welèh ngoedang ngoedang oentjalna teu hasil, ladjeng moelia ka tempat garwa ngantosan njalira. Nembe oeninga, Sinta teu aja.

Batara Rama kaget laja papadana, hariwang koe nalangsiang, garwadihaben disaksrak dibari koe doeaan, nanging teu kapendak. teu lami bae panganggo garwana noe ragrag tea sarta teu tebih beh deui tilas karèta Rahwana tèa.

Harita Batara Rama njol beudoe ngoedoeg-ngoedoeg lat lali ka boemi ada kek gendewa ditjandak badè diwengkang baris dianggo ngamenangkeun pangeusi djaga tina èmpoetana raja lian ngan Dewi Sinta tanggtoe geus poepoes dilenjaja koe boeta danawa. Koe andjeunna angkasa baka di roeksak koe panah, neempes sinarna srangèngè, boemi alam baris dikelem koe poèk mongklèng, goenoeng goenoeng baris djoeroegeotoegkeun didoengkar-doengkareun. Boemi sapangeusira baris dibasmi, dalah para dèwa batara bakal didjorag diroeksak, lamoen dèwi Sinta, garwana henteu dopoelangkeun sina poelih demi tjara tadi. Moeng dibaben dipoentangan dipepor koe Lakshmana, koe saeun noe noengtoen tipear, soepaja oelah bendoe kadalon-dalon, bilih kadoehoengt toengtoengna, langkoeng oetama dosasar dimamah heula. Batara Rama rada lemper toemoet, piwoeroek ratna, ladjeng deui njangsrak-njaksrak ngilari garwana. Teu lami bèh kapendak. Djatajoe anoe nendang panandasa Rahwana geus teu daja teu oepaja, sarta oendjoekan ka Rama soarana pegat-pegat, njarioskeun soegri anoe parantos kadjadian. Sarna satoekasna. Djatajoe tjarira kare'ek baè maot.

Koe Batara Rama Djatajoe lajenna didoeroek, sarta tina seuneu noe keur moentah-moentah andjeunna ngadangoe soera pitoedoeh piakaleunana sareng sarat. tarèkahna sangkan basa meunangkeun deui Sinta, tina genggeman Rahwana.

Nja ti dinja mah ladjeng èta doea sadèrèk tèh arangkat deui. Di djalam arandjenna amprok sareng boeta tanpa daksa ngaranna Kabandha, ger merangan ka Batara Rama sarta barang plas ditigas, boeta tèh les lengit, ngong aja sora, tankatingkal, lantaran èta Kabandha tèh dèwa noe mangroepa boeta, keuna koe soepata, anjèuna bisa sirna ingkar tina songsara nja koe pitoeloengna Batara Rama.

Andjeunna moelang tarima, koe maparin pitoedoeh jèn Batara Rama kedah mimitian sareng Radja menjèt anoe djenengan Soegriwa, nja èta anoe bakal beunang dianggo panjarandandoean gensan ngadjabel deui Sinta tina pangawasana Rahwana.

Tambih reugreug manahna Batara Rama henteu hontjewang pinoeh koe hariwang teuing.

Ti dinja ladjeng deui angkat ngahoedjoeng sananoedoehan Kabanda tèa.

Barang saroemping ka sisi talaga Pampa gok arandjeunna tepang sareng Radja monjet tèa, anoe harita keur nandang kabalangsakan asroek-asroekan mileuweungan, lantara karadjanana diindih koe sadèrèkna anoe djenengan Walin (Sosbali.) (¹)

Eta doea satrija tangkep tangan djangjien misran silih belaan: Batara Rama baris

¹) Katrangan at. lalakon pang Soegriwa petjoh sareng sadèrèk baris kapendak dina P.S. No.11 [ 149 ]Kaca:Poesaka Soenda 1923-04-1(10).pdf/5 [ 150 ]soka (asioka), meunang raratan jèn Sinta aja di dinja.

Anoman teu tinggal tarèkah sangkan laksana jasa topang sareng Déwi Sinta. Tina lantip toor rikip teikna Anoman ton lami nja hasil; Anoman djongok djeung Sin sareng ngoendjoekkoun sapiwarangan Balara Rama. Déwi Simba wawarti ka Anoman soegri anoe parantos kalampahan koe andjonnna, dítéték ti awit diiwat ti alas Dandaka tepi ka ha riba keur aja dina koeroengan taman asoka, sareng ditjarioskeun adjaman Rahwana anoe dipaké ngantjam nja éta baris nelasan andjenona, lamgen dina sadjoro doea boelan deui keukeuh pageuh teu kersa toemoel kana sapangadjakna. Dewi Sinta moendoet soepaja geuwat didjait tina kaprihatinanana, roh lémpo geus sakitoe santekna.

Anoman ngadeudeul koe pioendjoek anoe matak ngarougrongkeun manah Déwi Sinta, jen saméméh tepi kana djangdji, soebaja adjanan Rahwana téa tangtos Dewi Sinta geus leupas tina kaualangsaan, iasa patopang sareng Batara Rama.

Samèmèh Anoman moelaug, hajang ngadjadjal heula karongkahan perang Langka, itoeng-itoeng ngadjoegdjoegan pangaweroeh moesoeh, rék dihagal didoega kakoeatamana. Koe sabab eta teu ata pasini deni ugan ger baé laman asjoka leuweungna diroeksak diboerak-barik. Atoeh para boeta noe ngadjaga patjiweuh teu poegoehh bjabak, sawa. rèh tjampoeh nangkep anoe koemalanjang wani-wani ngoebrak-ngabriks kagoengan ratoe. Tapi boeta-boeta leu aja anoe bisa mangga poelia, leu aja anoe tahan njangga kadigdjajaan oetoesan Raina. Toengloengna diajonen koe paloekna Alengka, Anoman karingkots, rokotek diborogod dibawa ka Rahwana. Rahwana bendoe sarta Anoman dilimbalan di dipaéhan. Nanging koe margi Anoman wakja jén manéhna pradjaka (oeloesan) Rama, baris moondoet Dewi Sinta, lon tjios ditibananana hoeknem pati, moeng ari dib:oo-koem mah teu loepoet, nja éla boentoetna dibeungkeut koe talamakur beunang njelochkeun kana minjak, soet, disoendoet poor dileupaskeun.

Barang Dewi Sinta ngadangoe anoe popojan jèn Anoman baris dihoeroe tipa boenboetna, katjida ngalelasna Lina inggis Anoman nemahan pali, tanwandé poegag lampahna, rara wirang jilaka bakal kasorang.

Koe margi èla andjeunpa menekoeng neneda ka Batara Agni, soepaja oetoesan tja. rogona celah tepi ka tjilaka, keuna panas koe seuneu.

Panenedana Déwi Sinta koe Batara Agui dikaboel nadjan seuneu moentab dina boentoet, koe Anoman karaos tils teu panas. Barang poer Anoman dikentjarkeun, ngan djleng-djleng baé loeloentjatan tina soehoenan kana soehoenan deui, soet-soet baè imah-imah djeung wawangoenan oerang Langka didoeroek koe seuneu Lina boentoetua. Atoeh ger baé sanagara Langka kahoeroean, boeta boeta hiboet pakepoek maronman seuneu. Ari Anoman mah sabot keur goejoer tagiwoer tèh teu lolèh ngan ngentjis baè moelih. sarta tjat deui baé ka poentjak goenoeng bioer deui baé loentjat ka peuntaseun sagara, djlog datang ka balad-baladna. Atoeh teu kira-kira balad monjét saroeka boengahna tina geus hasil anoe dibeuratkeun ka maranéhanana toer kalawan kasalametan.

Ti diuja mah broel bae Anoman sabaladna maroelih, arok boeroe-boeroe oendjoekan ka Batara Rama soopaja ênggal-enggal:

Batara Rama ngaroeroeng Rahmana. Sadatang datang galantang Anoman gendjoekan ditètèk ten aja anoe kaliwal, ti barang indit tepi ka datangna deui.

Batara Rama ngadangoe pioeudjoek Anoman téh soeka doeka; Soekana, tina garwana geus raos kapendak deui, ari doekana, tina èmoet kana kasangsaraan Sinta, sareng sounggah wegah koemahapiiasaeunana meuntaskeun para bala tantara ka Langka, podal koedoe ngaliwab laoet anoe sakitoe legana, lain geusan mokaha.

Sudajana pada barempag koemaha piakaitarèkaheunana sangkan laksana anoe disedja, boeroe-boeroe hasil maksoed.

Soegriwa hatoer pioendjoek jèn dina timbanganana teu kedah dianggo wegah, hauas sagara, mo boeroeng beunang dipeuntasari, koe disasakan, da balad noe pingagarapeun moal datangka kakoerangan.

Ari pihatoer Anoman, matak ngahoedang kana kareugreugan manah sadaja, wiréh njarioskeun jén dina doegaanana banglos balad monjêt bakal bisa njangga katobagaanana [ 151 ]Kaca:Poesaka Soenda 1923-04-1(10).pdf/7 [ 152 ]Kaca:Poesaka Soenda 1923-04-1(10).pdf/8 [ 153 ]Kaca:Poesaka Soenda 1923-04-1(10).pdf/9 [ 154 ]noe manahna salantjar, béda tina panjeta anoe bolostrong, sabongdrong, sabab Batara Rama ka garwa teu engga njambat saadat biasa noe pada mentas njandang sangsara, ieu mah awitna ngan oekoer njarioskeun perang anoe eggeus kasorang, ditéma koe siga téga ngadjak pirak henteu kersa ngangken deui garwa ka Sinta, ditoengtoengan koe panoedoeng kedah oendoer, ingkah sakersa-kersana. Pang Batara Rama kitoe kodalna ka geureuha, sanes pisan pisan lantaran tjangtjaja kagoengan manab asa-asa henteu pertjaja, tapi toemoet kana atweran oegeran lihiriahna sara, jén istri anoe geus paanggang tina panangan tjarogé koengsi kakoeroeng koe hoekoem batoer, aja di lalaki lian, éta teu kenging djangken deui djadi padri, moal djadi praméswarina Batara Rama, nja éta sarat geusan ngomah-ngomahan panereka djeung panjangkana sadaja eusi nagara, sangkan toekoeh keukeuh pageuh kana bener, pertjaja kana weningna galeuh anoe djadi ratoe.

Barang Déwi Sinta ngadangoe dawoehan tjarogé anoe sukitoe matak peurih matak peureusna kana manahna, segroek baé nangis njambat ka tjarogé tina teu roemaos gedag midoa manah teu aja dosa anoe karaos éstoe toehoe soemoedjoed salalamina nanging ajeuna pinanggih sareung hoekoaman noe lalalain. asana dikaniaja, keukeuh kakoeroeng timboeroe; nja andjeunna bakal téga laboeh geni, nganjatakeun kabersihan salirana. Harita kenéh Dewi Sinta moendoet disajagikeun toempoekan soeloeh ka Lakshmana, gensan anjeuna ngoembah panjangka anoe toemiba ka salirana, tina ka manah koe Sinta raja deui geusan ingkah, pirdah tempat pisah ti tjarogé kadjahi ti masrahkeun raga djeung njawa. ka noe Kawasa, koe poepoes dihoeroe.

Batara Rama pasrah soemerah sarta maparin widi, ngadjoeroeng lakoe ka garwa noe badé laboeh geni, ladjeng nimbalan sasajagian sapoeratina.

Barang toempoekan kai parantos sajagisoet disoendoei, goer seuneu koroeng moentab-moentab. Déwi Sinta lebat kana tegah-tengah seune noe ngagedag-gedag, bari njambat ku Batari Agni moendoet ka saksi kasutjian kabersihan galihna.

Dileg Batari Agni woedjoed loesoeurna ti Kadéwatan, ngaraksa noe tanpa dosa, seuneu njingraj kawas disoeaj, sarta di tengali doeroekan ngelewoeng, katingal Sinta ngadeg ditjandak koe Batari Agni. Sarta harita Déwa ngadawoeh jén Sinta beresih teu aja geuneuk maleukmeukna, soetji galih éstoe mandjing eusi poerina Batara Rama, sarta sok dipasrahkeun deui koe Déwa ka tjarogéna, Sinta ten sakara-kara.

Batara Rama nampi garwa kalawan kabingahan, réh kasoetjian kabersihan Dewi Sinta boekti kasaksi koe saeusi nagara, sarta harita anjeunna ngadawoeh, jén menggah manahna koe andjeun mah, da poegoeh tetep anteb perdjaja ka garwa teu aja sangka tereka; tapi katimbang koe salirana perloe moenggoeh anoe djadi ratoe, kagoengan manah timbangan, ati noe ngantjik di djalma leutik, rasa anoe aja di djalma loba, koemboeh ngawangoen nagara, ngétjagkeun kersa koe andjen, oelah soelaja pasalingsingan. Djalina réa moal itjal tina njangka gerentes noe seuri leutik, moal bererib noe noeding, lamoen teu boekti atra katingal, jén Dewi Sinta, soetji bersih tanpa dosa; ajeuna nembé antebna manah Rama ka garwa iasa sapatotos sareng sangkana pangeusi nagara.

Koe margi parantos loebar boekoeman noe ditibakeun ka salirana, ajeuna saparantos bérés roés itjal tina balang béngsal, moeng kantoen soeka boengahna noe aja, broel baé Batara Rama djeung garwana nja kitoe deui Lakshmana diiring koe Anoman Sarong sadaja balad monjét, moelih ka bali geusanna ngadjadi.

Sarawoehna ka Aijodhja, dipapag koe sadaja koetawargi mantri ponggawa sareng abdi-ahdi sapangeusi nagri, noe sadajana pada goembira pinoeh kue kasoekaan; migoesti noa boga milik sareng teu lami deui adjeng bae Batara Rama ngasta kakawasaan didjoeungjoeng loenggoeh djumeneng radja. Nagara woewoeh madjoe, djembar tambah-tambah kerta, djolema pada soeka betah, tiis tjeuli hérang mata, kaaoeban koe adiling noe djadi radja, boerip goesti waras abdl.

Poetra Batara Rama, 

Lami ti lami saparantos Batara Rama ngadeg naléndra di Aijodha, noedjoe nagara keur meudjeuhna reugreug pageub hédjo lémok, djelema bararoengah sararenang, bet kataradjang koe owah gingsip nja.éta adat.

154 [ 155 ]djalma sok ngagoegat-goegat anoa geus kaliwat, Déwi Sinta dioepat dipaké njarita, kawasna sangka tjangtjaja teu kais koe laboe geni, nepi ka réa anoe kedal njebootkeun handjakal, nganaha-naba ka Batara Rama. Sawaréh aja anoe téga njeboetkeun jén: Radja njontoan goréng ka noe ti handap, ngareremi istri anoe geus kakoeroeng koe batoer, matak sangar ka nagara, mawa sial ka noe réa.

Gerentes pangoempatna djelema téa kadangoe koe Batara Rarna sarta raos peurih galih, réh garwa djadi njarita, inggis aja mamalana, inahala ka noe pertjaja. Koemargi éta teu aja deui tambana, kadjaba Dewi Sinta kedah disingkakkeun ti karaton, panoelak tjarita djalma. Saparantos dihaben dibeuwenng dioetahkeun digalih diboelak-balik, Batara Rama gilig baris pisah djeung Sinta, pameuli ati meudi nagri pangroat anoe ngaroepat, ladjong nimbalan Lakshmana djadjap. Sinta diboeang ka sapeualasean bangawan Gangga.

Déwi Sinta soemerab passah teu pisan bala kana satimbalan raka, djoong angkat henteu berlang wangkelang diiring koe Lakshmana baris nandangan dibocang ingkah ti nagara. Nanging tetep anteb dina kalboena, jén awal ahir tangtoe boekti kasoetjian galibna, kabersihan sali rana, sarta bakal kaoeninga koe salaja, tina roemaos teu aja pisan sérongna. Saparantos ka loear ti nagara, Déwi Sinta lebet a patapan Resi Waliniki, toemoec woeroekna sang wikoe, siang wengi seomédi djongdjon ngahenang ngahening. Teu kantos lami deui ajana di pantapaan goeroedag babar, poetrana pameget kembar, moerangkalih moeloes tea aja pisun koetjiwana dijdeneoganan anoe hidji Koasja, ari anoe hidji deui Lawa.

Moerangkalib poetra Sinta anoa doea téa ditorok koe Sang Pandita, cimongusong dipikahéman, diatik didjaring harti diasooh koe pangaworoeh, tatambangan kapanditan; Koesja sareng Lawa salira morontod teu berewit barébédan. Saenggous moerangkalih arageung, koe Sang Wikoe éstoe disoewook koe élmoe, diwoelang kasoesastran, pahaun kaboedjanggaan, ngagending ngarang ngagoerit, dadaran bagbagan basa, geus bablas sagala bisa, ngadangding djeung hariringna, nintjak pangkat martabat boedjangga, kakontjara moerangkalih djoèroe kawi.

Katjarioskeun di nagara Ajodhja noedjoe objag para panggawa mantri, geundjleuh saeusi dajeuh. réh Kangdjeng Radja Batara Rama badé ngersakeun pèsta sasadjén gedé ngorbarkeun koeda saadat biasa radja agoeng djaman harita.

Barang geus tepi kana mangsana, djelema ti soeklakna ti sikloekna toengkeb ka nagara, pada hajang miloe, kompoei miloe aoeb ka ratoena, breug ngiring ngawih poepoedjian, moeaja medar pangabisa.

Pandita Walmiki djeung poetoe koekoetanana noe doeaan téa ogé soemping ka nagara ojong ningali bari ngiring ngaloeohan dina prakna sasadjoen korban-koeda tea.

Sokoemaha adat biasa, dina waktoe éta pada ngawih poapoedjian saélmoena sagoeroena.

Koesja sareng Lawa ogé ngiring medar bénnangna diadjar, sarta barang dek ngawih hariring angin-anginan ngababar lalakon ,,RAMAJANA", ditéték ti poerwa dongkap ka wokasanana, sadaja dielerna pada olohok hengong, tina bakating koe soeroep loejoe, noedjo hoeroep ninggang wirahma, misah nenggang ti noe réa toeroeg-toeroeg basa ninggang kana rasa, tjaritana matak ngaholas nalangsa.

Nembé harita koe Batara Rama kaoeninga jén éta doea boedjangga nonoman téh, poetrana koe andjeun, poetra Sinta noe diboeang ka pangtapaan.

Harita, kenéh Batara Rama nimbalan mapag Déwi Sinta sina moelih deui ka karaton. Soempingna Sinta ka nagara, teu kenging ladjeng lebet ka poeri, nanging ka tempat magelaran anoe pésta biantara téa, lantaran dina manah Batara Rama, bade sakalian némbongkeun kabersihan salira garwana ka saeusi nagri. Eta margina keukeuh nimbalan ka garwana soepaja kedal soempah ka djelema loba, sing kasaksi kaboekti koe saeusi nagri, jén salira Sinta teu pisan larandapan dosa, sakoemaha panoeding noe hiri dengki, panjangka noe koerang wiwata. Sang Resi Walmihi teu tahan teu téga manahna ngadangoe timbalan Batara Rama ka garwana, djoeng baé andjeunna ngadeg, galantang njarita, noerangkeun dietjés-étjés-

165 [ 156 ]Kaca:Poesaka Soenda 1923-04-1(10).pdf/12 [ 157 ]
157
 
[ 158 ]
158
 
[ 159 ]
159
 
[ 160 ]


160