Poesaka Soenda 1924-01-2(07)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1924-01-2(07)  (1924) 
[ 97 ]
No. 7
Tahoen ka 2
Januari 1924

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - SALEMBA 28 – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 7


1. Basa Soenda katja 97
2. Njalawat Djamdjami " 101
3. Oerang Badoej " 104
4. Panalek boekoe-boekoe Soenda " 105
5. Paririmbon " 106
6. Wawatjan Babad Galoeh " 107
7. Bintang emas " 112


Basa Soenda.

Objag dimana mendi, malah parantos djadi senden kalemekan, djadi tjatjoer para sepoeh, paomongan para nonoman, pada hajang pada resep, taja lian anoe djadi panjileukan nga tabah basa Walanda. Tina silo koe pangabogoh kabita koe pihargaeunana, nja geus moal aja anoe henteu kagendam, tjoel naon tjoel naon ngan ngoedag eta.

Ateoh ari kitoe tea mah koemaha henteu rek pada resep pada pogot, da poegoeh matih dipakena melet Agoes sarana. Pendekna basa Walanda, tinangtoe poendjoel ti batoer gadjihna, nenggang ti sasama kaoentoenganana, nadjan . . . . . .

Kawasna ieu the nganjatakeun bakatna alam jen didoenja teu aja anoe langgeng, keuna koe robah kasilih koe geingsir tea, dan kapan moenggoeh baheula mah anoe djadi eupan pameletan the, sanes sang basa Walanda.

Nepi ka tomperna Windoe ka 17 sareng ka 18-na, komo sabeh ditoeeunana mah, di oerang anu djadi mandah basa the, nja eta basa Djawa, malah alam ka kagoepernemenan oge mimitina mah, nja basa [ 98 ]Djawa keneh anoe djadi pamor. Djawana teh biasana nja Djawareh tea, sarta ti dieu ditema koe basa Malajoe anoe djadi kamenakan the; soerat-soerat anoe tadi tjampoer djeung kamataraman ajeuna kalindih koe kamalajoean, komo deui ari dina dines opisil mah, geus Malajoe maloeloe, tjek rasana mah tapi malajoena the nja malajoe Soenda tea bae. Malajoe anoe nepi ka matak teu kaharti koe oerang Malajoe. Ana disawang bari dirasakeun, singhoreng geuning djol Djawa, ngan oekoer djadi DJAWAREH petjenghoel Malajoe, nga oekoer djadi Malajoe Soenda, ajeuna datang basa Walanda, kawasana moal boa ngan tiba siga, tiba siga Soenda keneh dina antoekna mah.

Atoeh naha make diraropea, da poegoeh Soenda, nadjan didjawakeun dimalajekeun diwalandakeun oge Soenda keneh – Soenda keneh bae. Tjenah eta koedoe pindah tjai pindah tampian, pindah pileumpangan meureun enjana mah, atoeh koedoe pada – pada bae, montong dipake ngalindih: Soendana, poelasara Djawa malajoe walandana piara, oelah ngogel tinggal dogdog. S. d. R.) – Ajeuna koendial Java-Instituut goemelar ka alam lahir. Ningal kana oedaganana djisim koering ngiring bingah merwata soeta, sarta teu kendat ngadoedoenga moega sing engga akaala boehna, moeloes djadina teu keuna koe hama, hedjo lembok meuhpeuj teureujeun roehroej poepoeeun.

Java-Instituut anoe eukeur moepoesti sagoenging poesaka titinggal karoehoen baheula, ngamoemoele sarta moelasara wedalan Soenda.

Koe ngadegna anoe bieu sareng koe oesahana pagoeron basa di Batawi, (sareng koe jasana Bale-poestaka) soegan basa Soenda the bakal kahear-hear moal ngawankaj teuing dipakena bahan geusan ngoedag kamaoeljaan.

Kapoengkoer parantos digerek-gerek koe Djoeragan D.K. Ardiwinata nalika pesta ngadegkeun Sakola Raja (Kweekschool) Bandoeng djedjeg 50 taun, (Mei 1866-1916), njaeta pangdjak soepaja anoe djadi basa loeloegoe, oelah toekoeh basa Bandoeng, tapi koedoe basa sa-Priangan atawa sa-Pasoendan, pisan, sangkan tambah eujeub tambah gegek, sarta ngakoe basa kosta anoe geus ilahar dianggo di oerang. Harita katingal seueur pisan goeroe-goeroe anoe sapoek kana hodjah andjeuna.

Dina Papaes Nonoman taoen 1917 No. 6 djisim koering parantos mendak katerangan basa-basa Soenda anoe asalna ti basa deungeun. Tjing ajeuna mangga oerang kotektak dina basa Soenda anoe kapendak sadidinten, naha eta the pitoein oerang atanapi semah anoe ngaboeniaga?

Kantenan ngoengkab basa mah sesah the teuing, komo dina djaman kiwari mah parantos tjampoer bangsa djeung bangsa anoe ngalantarkeun tjampoerna basa, anoe oerang kop koe batoer, anoe batoer kop koe oerang, lawas-lawas ganti djisim, adam lali tapel, poho ka asalna tadi.

Dina prakna njarios parantos asa tjere basa sorangan asa basa Soenda enja bae anoe dipake the, sedeng lolobana mah tina basa batoer.

Tah geuning gorehel bae ketjap sedeng dilebah dinja! Tjing atoeh sing beresih njarita the! Leungitkeun eta ketjap “sedeng” anoe lain dina pipernaheunana teh, da eta mah basa Malajoe. Ganti bae kadinja koe “mangkaning” soegan beresih Soenda toelen.

Hih apan “mangkaning” mah basa Djawa!

Ganti deui atoeh “pada hal”!

Har, atoeh keneh-keneh bae eta mah oerang alas peuntas, komo beuki jaoeh, da djeung dilambon koe oerang Hadaralmaot sagala “padahal” mah!

Koe naon atoeh digantina eta sedeng didinja teh, bet ieu lain-ieu lain; tjing koe “inghale” soegan?

Aeh-aeh naha bet boelak –balik dekok, los deui ka Bagelen, apanan inghale mah Djawa keneh, haleuangna oge geus “djamoe-gandring”! (dina basa Djawa ketjap inghale the ngan woengkoel [ 99 ]dianggo dina kitab-kitab agama, ari dina njarita mah biasana “mangka” anoe dianggo S. d. R.)

Tah, dina saketjap oge geuning parantos rambat kamale, sakitoe sesahna ngoengkab basa mah. Ari sayaktosna dina lebah dieu mah taja lian anu kudu disasar katjaba ti oerang kedah tabah kana golongan-golongan Soenda, anoe pimakeeun eta basa, da larapanana basa mah teu beda ti kana raprapan nganggona panganggo sasoeroepanana-sasoeroepanana, pada masieup andjeun ka mana kaomna, kamana loyogna.

Eta ketjap sedeng, manawi anggoan para nonoman anoe sok maraos serat kabar Malajoe, ka baeod koe rasa Padang. Mangkaning kawasna warisan Mataram, ari padahal mah doeka ti iraha di oerangna.

Inghale moal lepat djolna ti pasantren katepaan kitab-kitab basa Djawa dina mangsana ngoelik agama, kaised-ised kabawa koe santri ka tengah.

Geura tjing koemaha eta ketjap-ketjap teh lamoen kieu, - meureun saoer boedjangga Soenda – oerang biasakeun ganti deui koe ketjap saenjana, eta mah kawasna Soenda toelen.

Boa, ketah Soenda toelen soteh, boa lantaran geus lila teuing boeboearana di oerang siga pitoein soteh, nepi ka geus teu kasoesoed raratanana.

Ari margina, dina basa Arab (Koer’an) aja ketjap INNA, meh sarimbag apan sareng inja atanapi enja tea, toeroeg-toeroeg hartosna deui INNA teh nja sami sareng saenjana tea (huruf Arab).

Dina Koer’an aya ketjap “indika” ari hartina heor-heor kana andika, ari hartina indika teh : ti andjeun. Moal andika tina indika mah, kitoe?

Dina basa Arab aja ketjap TARADJIL, hartosna : leumpang badarat, ari dina Soenda aja ketjap taradje, paranti leumpang ka loehoer, toeh siga asana! Moal kitoe taradje teh oerang Madinah?

Dina boekoe T. Wellij kasebat : Ta-cheng, asal basa Tjina, sok aja oge anoe njebat da-cheng; da hartosna gede, cheng hartosna timbangan, djadi hartina timbangan gede; ana dioenikeun koe Soenda djadi DATJIN. Asa anoe oerang bae ari geus djadi datjin mah!

KONGSI, ieu basa Tjina keneh; Kong, hartina djelema loba; ari si: kapala. Djadi kongsi teh hartina: kapalana djelema loba.

Di Tjimahi mah eta ketjap teh dianggo kana “patempatan”, malah ajeuna mah dianggo panglandih pagadean. Naha eta kitoe pedah pagade anoe sok dipake koe bangsa Tjina, baheulana?

Tina lamina oerang tjampoer sareng Tjina, soepsep basa Tjina dianggo ngalambon basa Soenda; Toekang atji di desa Tjipanas, Tjiledoeg Pasirhalang dj.s.t. anoe sok ngadjaroealan atji ka Tjina, geus emboeng make ketjap goreng kana atji, diganti koe besaj, tjara djongos djeung koki oerang Soenda, njebut dahar ka Walanda (doenoenganana) koedoe bae diganti koe “makan”. Malah ajeuna mah dibiasakeun make ketjap: kerdja deui.

Oepamana oerang nanja ka toekang ngadoe hajam: Koemaha meunang hajam teh?”

Ana ngadjawab : “Wah bolaj!”

Ketjap bolaj manawi tina bho: henteu, sareng laj: djadi.

Golongan eta mah ana milang doeit, geus emboeng make seteng, sabaroe, tapi ngalemah ku basa Tjina tea: Satjap toen: f30. Tjetoen poah: f1,50; Tjekau: f2,50; Gogin: f0,50; Tjetoen tjeta: f1,25; Poatoen: f0,50 dj.s.t.

Geura koemaha teu deuk tereh roentag, da oerang Soenda rampag dimana-mana kamegahan ana bisa NGAROEKSAK ANOENA; dibalik lemah teh saenjana.

Djol deui bangsa wedalan pasantren, ahli ngadji ngoelik kitab, ana gempoengan djeung pada Soenda, peledek seungit madjemu, moengsrat-moengsrat da hajang pasehat, gerengsel koe basa Arab, tampolana njeboet kapoek oge gafoeq.

Geura dangoekeum :

Koemaha Hadji Djen teh geus tasdik ngadjina?

Ana ngadjawab: “Wallohoe’ alam njaho oge lain ainal jakin!” [ 100 ] Lapad sareng dalil teu meunang tinggal, madjar teh lamoen teu kitoe, teu ledok, asa tjawerang asa tjamplang cenah, moen ngibing mah magah asa teu digoongan.

Koemaha ari ajeuna?

Gentos lalakon saketjap ka doea ik, diengklokan koe Zeg, norotos perteges paselang djeung bedoel belang. Kapan algemin belang, egen belang, ik bedoel, kedal oenggal keur gempoengan.

Koemaha mijn vader silaing geus datang ti Batawina? God zeg, ik mah teu boge sapeser-peser nog niet! Ah jamer, ik harita telat teuing, niet optet. Allah boelan ieu mah minoes seh!

Ka-beh-dieunakeun perteges teh make kaemper-emper ka ki dalang wayang, si Tjepot ngomong perteges, si Dewala ngomong Hokjan, Kalanjoengir batjeo ngomong Malajoe, Ki Togog basana Djawa, dipasieup kakawen koe basa Kawi, tjarita dalang koe Soenda, ....amboeing! Ari dalang wajang tea kapang moenggoeh di kampoeng mah, nja eta REDAKTOERNA, teu pati beda ti soerat kabar, ngan ieu mah soerat kabar ditamboel.

Ana inget deui kana poko djalan kamegahan, kapan ngan aja doea anoe djadi babakoe 1e kamegahan dunja, 2e kamegahan agama (aherat).

Geusan ngalaksanakeun eta anoe doea roepa poepoedjan tea, koedoe bae ngaliwat heula basa deungeun, nja eta: pakarang anoe matih geusan ngoedag kadoenjaan nja basa Walanda, ari geusan ngoedag kabatinan (agama) nja basa Arab, saboetoehna koedoe ka Djawa; mana Soendana?

Beu, olokodohok oerang mah kabeh oge matak belot ari dina harti anoe ilahar mah!

Oejoehan..... basa Soenda mah!

Malah aja antekna, nepi ka aja anoe ngira jen basa Soenda mah lain-lain atjan basa. Nja eta nalika K. Toen Holle sasaoeran ka hidji Boepati, ka hidji Dalem, di dieu di Pasoendan, kieu saoer Toean Holle: “Ajeuna Rad. Hadji Moehamad Moesa, Panghoeloe Garoet keur ngarang boekoe basa Soenda.”

Barang eta Dalem ngadangoe saoerna T. Holle kitoe bangoen kaget naker, pok sasaoeran: “Wah moal enja Toean, sebab itoe omong Soenda boekan basa!”

Tah dongkap ka kitoe! Teu aroeningaeun jen oerang Soenda geus barisa njarieun boekeo ti baheula keneh.

Tapi ari maido teuing mah henteu koering oge ka anoe tambelar kana basa Soenda teh da nja eta ngalirik ka diri sorangan, sok kalahka haget gede angkoh hajang kieu sangkan basa djeung bangsa Soenda djadi madjoe, tapi... koelahek bae katerap kasawat teu tjeeh; geus bae disalindiran koe barudak:

“Kapan hoedjan kapan djeblog, kapan papajoengan bae,

“Kapan palaj kapan dolog, kapan sok rajoengan bae.”

Aeh-aeh naha bet koering kamalinaan ngawangkongkeun sosompang, apan anoe keur ditjaritakeun teh hartina ketjap tea. Geura oerang malikan deui hantja tadi.

Ketjap palita geus kaoeninga koe sadajana, tapi dina basa Arab aja ketjap fatilah hartina singsim, siga naker palita teh asal tina fatilah tea. Eta kasakit sok patoekeur tempat aksara, heula pandeurina, geus biasa di oerang mah, kapan: ketjlak sok djadi tjeklak, kelor djadi kerol, beunghar sok djadi beuhngar.

Patiman asalna ti tim dirarangkenan pa djeung an. Djadi saenjana mah patiman teh paranti ngetim (njieun sangoe tim). Ari tim bedjana oerang Hongkong.

Palawidja, asalna basa Sangskrit phalawijaphala: boeah, ari wija: widji: siki.

Poeasa, ieu oge basa Sangskrit keneh, asalna upawasa, upa: tina perkara, ari wasa: tjitjing teu obah teu dahar teu leueut. Pondok, hartosna aja doea, 1 teu pandjang 2 tempat santri, tempat madjik. Harti kadoea kawas lain pitoein oerang dieu, ari margina dina basa Arab aja ketjap pondok, hartina hotel atawa losmen. Toeh tetela sasaoengan pondok oerang sareng pondok Arab teh. Oepami koe oerang dihaben dikotektak, engke tangtos boehbeh basa anoe lain pitoein oerang dieu teh, tapi... ari ajeuna [ 101 ]ngan perloe koe oerang kaoeninga, soepaja oelah ngagembang-gembang ka anoe ngalenjepan rasana basa Soenda, oelah djadi panghalang ka anoe keur njoektjroek galoerna karoehoen, njasar raratanana kasoendaan.

Ana ningal kana gerengselna basa kosta dina Soenda paingan aja anoe ngirataan ketjap Soenda teh madjar ringkesna omongan: Soesoenan sagala basa jang ada.

Panoetoep pihatoer, moegi-moegi bae basa Soenda woewoeh reureug woewoeh pageuh, pada ngaloesan pada ngaloeisan, sangkan nandjoeng daradjatna.

Koe Djoeragan Danoemihardja mah diradjah kieu :

KINANTI:

Pitik toelak pitik toekoeng,
nja noelak sibasa mami,
ngadjaoehkeun panggodana,
awonna masing njalingkir,
si toekoeng djoeroeng sakersa,
si toelak anoe ngalingling.

Basa Soenda noe saestoe,
panoetan Pasoendan pasti,
diraraksa koe boedjangga,
didjaring koe para wargi,
sarati noe ahli basa,
miwah nonoman binangkit.

Ngabangkit Soenda sing moeloes,
di Pasundan ngadjalingdjing,
sing ngiroet sagala bangsa,
maroehit loeloet miasih,
asih kana basa Soenda,
pamedaran elmoe watjis.


Neda hapoenten
M. Tanoewisastra.
Malangbong P. K.[1]


Njalawat Djamdjami
kenging Esin Engka Widjaja.

Anoe disebat djamdjani teh (salawat Soenda) djaman ajeuna mah langka dianggona, doepi bangsana: marhaba, moeloedan sareng gondang, pada aja noe njaoeran sareng dalangna. Tatabeuhanana terebang. Nabeuh dibaroeng koe ngawih, atawa tepak terebang dianggo panempas kawih. Ngawihna ngaleu palambat-lambat patarik-tarik tjara anoe beluk, anoe mimiti dalang heula. Ajeuna ieu di handap diserat.


1. Noe Njaoeran.

1. Oelailah haileloh, dari oelailah haileloh Moehamaddoerasoelah, Nabi Moehammad kakasih Allah. (Bring, toeng, toeng, toeng bring).

Dalang.

Pitoeng tahoen imoekinto, dari pitoeng tahoen imoekinto lawas bakti ing lakine Nabi Muhammad kakasih Allah.

Noe njaran Sapertos tadi (No. 1) Dalang :

Djantranipoen imoekinto, dari djantranipoen imoekinto, djantrane pamoeroes boelan, Nabi Muhammad kakasih Allah.

2. Noe njaoeran

Ajoen ambing lila njaring, jadoe jalah lila njaring, alah tobat mana njaring koe disanding, ajoen poentang lila hoedang, jadoe jalah lila hoedang, alah tobat mana hoedang ngadjak pelang.


Dalang.

Tjarita Nji Lokatmala, jadoe jalah Nji Yokatmala, kidoengdoeng ahli ngawoela, wadon moenggah sawarega.

Njaeran. (Sapertos tadi no.2) Dalang.

Mana moenggah sawarega, alah tobat bisa mindingan risina, bisa meungpeukan badeurna, bisa ngalaan badeurna. [ 102 ]

Noe njaoeran
(Sapertos no. 2 kèneh)
Dalang.

Noe bëdang teu kanjahoan, alah tobat lamoen imoet pangiroetan, moen olah panambaj manah, moen tingkah matak sangangah.


3. Noe njaoeran.

Ajoen ambing lila njaring, ajoen poentang lila hoedang, si njai toetoer diajoen, si njai ajoen-ajoenan, geura sarè njai sapopoe.


Dalang.

Larangan Nji Lokatmala, oelah keupat koe ti kèntja, manana dilarangankeun, matak hambar kaolahan.


Noe njaoeran.


(Sapertos tadi no. 3)
Dalang.}}

Larangan Nji Lokatmala, oelah diangir di Këmis, noe matak dilarangankeun matak ngèlèhkeun tjarogè.

Noe ngaoeran. (Sapertos tadi kènèh) Dalang. Larangan Nji Lokatmala, oelah njeupah seureuh boedoeg, manana dilarangankeun, matak lali diimpian.

Noe njaoeran. (Sapërtos tadi kènèh), Dalang, Larangan Nji Lokatmala, oelah meuleum ketan haneut, manana di larangankeun, matak panas angën deungeun.

Noe njaoeran. (Noe tadi kènèh). Dalang. Larangan Nji Lokatmala, oelah njeupah dihompét koe lètah, manana dilarangankeun, matak kapetolan njaoer.

Noe njaoeran, (Satadi kènèh bae). Dalang. Larangan Nji Lokatmala, oelah sarè di boelan gedè, manana dilarangankeun, bisi kaoendoeran tjahja.

Noe njaoeran. (Masih noe tadi kènèh baè). Dalang. Oelah mandi soeboeh teuing, bisi sieun di djalanna, manana ditjatjarèkkeun noe konéng njangkèrè kênèh.

4.Noe njaoeran.

Roentjik manik eta tèh dirèntjang omas, alon-alon pilonglonan, tobat teuing-tobat teuing, noe èndah di kadjoearan

Dalang. Anggoan Njai Lokatmala, samping tjindè pikeun sarè, samping bodas pikeun sèba, tobat teuing-tobat teuing, pikeun sèba ka Pangèran.

Njaoeranana. (Satadi no. 4). Dalang. Anggon-anggon Lokatmala, dipoepoek boentiris nahoen, diketjer laleur sakoeren, njingkahkeun wisaja deungeun.

Noe njaoeran. (Sapërtos tadi). Dalang. Alon-alon jalah dilonglonan, teu kasandoeng alon, jalah dia1on-alon, moen kasandoëng-moen kasandoeng, badan aloes sarta iman Rasoeloelah.

Noe njaoeran. (Satadi kenèh). Dalang.

Nji Roepané jalah Nji Roepané, roepa­nèrè jalah ‘ta Nji Roepanè lengking-lengking kadi halis widadari, Rasoeloeloh. [ 103 ]

5. Noe njaoeran.

Peungpeung hoerip Soetji ana badan nira, ilêloh. Ja wali ja moemin ileloh, ja Allah ja Rasoeloelah.

Dalang.

Koentjang-kantjing pager wesi, moekakeun lawang pangrasa, damar moeroeb kaanginan, mangsa moeroeb-moeroeb mati.

Noe njaoeran
(Sapertos tadi no. 5).
Dalang.

Poma dèk wèdi koe Nabi, poma dèk borang koe Allah, mangka soekoer dinimatna,sing sabar dibaiahina.

Noe njaoeran.
(Sapertos tadi).
Dalang.

Noe hoerip mangka prithatin, hiroep mangka satoehoena, loemakoe badan sorangan, toetoerkeun saoerna goeroe.

6. Noe njaoeran.

Kikis ngêlir djaro djati, toedarieung saralah pangëlmoe baè, Toehan toeloeng ti noeloengan, toedarieung badan aloes sarta iman.

Dalang.

Janabi ja moeslimin, alah tobat salawatoeloh alaëh, tiwajoenan lahoel barkat alah tobat, koeloeman alajadi.

Noe njaoeran.
(Sapertos tadi no. 6).
Dalang.

Ja nabi, ja moeslimin alah tobat ilmoehoe jamarjakin, anarobal alamin alah tobat ipërdan saloemole.

Noe njaoeran.
(Sapertos tadi).
Dalang.

Janabi doelkaloeroes, wadikroekoe ja djlanoempoes, anasali walmaddjoes islamoe alajadi.

Noe njaoeran.
(Noe tadi kènèh).
Dalang.

Meungpeung hoerip soetji kana badan nira ileloh, jën woesmati soetji kangden soetji. aken, ja wali ja moemin ileloh, ia aloh ia Rasoelloeloh ileloh.

Noe njaoeran.
(Noe tadi kènèh).
Dalang.

Ana dagang, dagang toena ilëloh,parandéna andoem bati ileloh, batina maring Pan gèran ileloh.

Noe njaoeran.
(Noe tadi kènèh).
Dalang.

Sirajoen ambatian ileloh, batina dagangan ingsoen, ileloh, sosotja inten bidoeri, ileloh.

Noe njaoeran.
(noe tadi kènèh baè).
Dalang.

Manrnanè dagangan ingsoen, ileloh, sosotja inten moeljadi ileloh, ja Roseoloelah ileloh.

7. Noe njaoeran.

Oelailah doeha ileloh, ja Allah oe'ailah, oelaileloh Moehammad Rasoelloelah rendi,rendi doeha ileloh.

Dalang

.

Parandosa doena ing doenja Allah; Allah parandosa ina ing doenja dosane atinggal salat rendi, rendi doeha ileloh.

Noe njaoeran.
(Noe tadi no. 7).
Dalang.

Parandosa doena ing doenja, dosane anginoem sadjeng rendi, rendi doeha ileloh.

8. Noe njaoeran.

Tang kolen tang, kolentang kembang solasih Soeltan Nabi Adam nja Toean, hembang solasih.

Dalang.

Kakang ing wong lanang djaloek toeloeng saledo bae, pikeun naon sia, mèrè angeun pinggan bae. [ 104 ]

Noe njaoeran.
(Noe tadi no. 8).
Dalang.

Kakang ing wong lanang, djaloek toeloeng saledo baè, pikeun naon sia, mèrè kèdjo boboko baè.

Noe njaoeran.
(Sapertos tadi).
Dalang.

Kakang ingwong lanang djaloek toelong sadelo, pikeun naon sia mèrè oejah pi Sin baè.

Noe njaoeran.
(Noe tadi kènèh).
Dalang.

Kakang ingwong lanang djaloek toelong saledo, pikeun naon sia, mèrè oemat pipi baè...

Sareng seueur deui bangsa noe kitoe. Prakna djamdjami salamina dikawihkeun raos pisan.

Atoeranana teu kedah mèrèlè ti no. 1 ka no. 2 sarëng satërasna, ti noe mana ogé kènging baè asal leres, sarëng ning­gang lagoena.


Oerang Badoej.
I.
Moela nagara Badoej[2].

Tjèk tjaritana karoehoen kieu: beuheula djasa eta di nagara Badoej leuweung kosong serta soeni.

Tilok djasa kaambah koe djelema, sabab dina mangsa harita tatjan pati loba djelema.

Tapi ari loeloegoena mah geus ditetepkeuu koe noe Koewasa, Mimiti njieun djelema ogeh.

Ari di Badoej nja eta ti Batara ka hidji, toeroenna ka Batara toedjoeh, nepi ka dalem lima, ladjoe ka kiwari.

Malah di nagara Banten oge harita kosong kenèh ngan kakara aja hidji doea djelema bae noe sakti ngadon tatapa, hanteu tjara kiwari rea samarang djelema.

Bareng keur mangsa mimiti ngislamkeun di tanah Djawa, nja eta di Padjadjaran, tjaritana eta ratoena teu daekeun islam, djeung doeloerna hidji ngaranna Poetjoek Oemoen ngahiang ti nagara Padjadjaran.Ladjoe eta ratoe ngagedog awak; ngadjadikeun roepa manoek bèo, teroes maboer ka awang-awang hajang njiaran tempat anoe soeni.

Beurang peuting henteu kedat-kedat angkatna.

Ladjoe bae ngalajang noongan pitempateun. Ana nepi ka Banten, nja eta ka nagara Tjibadoej tea, manggih leuweung soeni serta batoena rea tarengtong. keusik-keusik araloes; djeung eta leuweung lega djasa.

Tilok aja anoe ngeusian kadjaba satoa berhala leuweung kajaning maoeng, badak, bagong djeung rea-rêa deui, oraj-oraj anoe galede noe laleuutik sapangeusining leuweung.

Di dinja ratoe deuk ngalereb djeung doeloerna anoe ngaran Poetjoek oemoen.

Teu kebel, ana ngalongok ka bèh lebak, aja waloengan gede, tjaina beresih djasa.

Ladjoe diana mandi di dinja.

Ana mandi ratoe leungit djamangna noe roepa beo teh, gilig deul roepa manoesa.

Ladjoe eta tjai dingaranan Tjibèo nepi ka kiwari,

Sanggeusna mandi, ladjoe poelang deui kana tempat noe rea batoe djeung keusik tea.

Di dinja koe ratoe dingaranan Tjikeusik, serta taretep Ratoe djeung doeloerna mabakan.

Mana ngaran Tjikeusik nepi ka kiwari, nja ti mangsa harita tatkala ratoe mabakan.

Ari eta ratoe, tjaritana, toeroenan ti sawarga loka ngaraton di Padjadjanan.

kebe-kebel ratoe teh baranahan pirang­pirang nja mabakan deui dina leuweung beh hilir. dingaranan Tjikerta-wana nepi ka kiwari.

Anoe matak dingaranan kitoe, sabab mimitina rame di dinja nja eta hartina: kerta, rame[3]; wana leuweung. Ti dinja teroes toemoeloej nepi ka kiwari, tapi dina hidji­hidji tempat ngan diwidian opat poeloeh koeren.

Demi paonamanana oerang dinja, lamoen aja satoa galak, maoeng bagong banteng [ 105 ]atawa oraj, teu ilok diperegasa, koe bedil, ngan dibeberik bae.

Moen tatjan beunang mah, teu weleheun beberik, djeung moen geus kasoesoel, ladjoe digeloetan bae djeung make gobang atawa paneunggeul.

Mana nepi ka kiwari teu ilok aja sato leuweung beak koe oerang Badoej dialaan.

Ari diinditkeun ti dinja, moen aja anoe maling pare, atawa wani heureuj njabak soesoe atawa pipi tjawene, sok diinditkeun, ari pangboeangana ngaranna desa Nangka­bengkoeng.

Djeung deui oerang dinja lamoen boga anak geulis teu ilok dilarangkeun, asal alakina mawa papakean bae pakean awewena djeung tjoetjoekoelan boemi saperti: pare, hoei, tjaoe djeung sedjen ti dinja, beunang makaja tea. Ari doeitna ngan oekoer doea poeloeh lima sen geusan ka noe ngawinkeun, nja eta poeoen.

Ari anoe didjieun minangka ratoena di dinja nja eta geurang poeoen.

Ari anoe didjaga koe oerang dinja, tilok aja ngan para boejoet patjadoean-patjadoean.


Panalek boekoe-boekoe basa Soenda..

Menggah di bangsa Eropa, parantos djadi kabiasaan oepami aja boekoe-boekoe anoe nembe dikaloearkeun, saparantosna ditaralek diboelak-balik, sok enggal dida­dar dina serat-serat kabar dina poestaka­ mangsa, koe anoe ngamoedina atanapi koe noe lian anoe aja kapanasarananna hojong medar noe nembe medal tea, koemaha tim­banganana boh basana boh eusina. Koe djalan kitoe, soegri noe djadi langganan serat kabar sareng poestaka mangsa tea, iasa aroeninga ti anggalna kana wandana boekoe-boekoe anoe alanjar, lantaran didalangkeun heula tea sae awonna pi­mangpaateun henteuna; nepi ka dina aja djorodjojna manah kersa mileuleu­heungkeun, geus poegoeh pamilih henteu didoega koe soesoeganan, dirarampa dipa­parah teuing, anoe toengtoengna sok ra­djeun matak handjeloe, rek asa moebah natamboeh ipekah teu poegoeh.

Koe margi ajeuna boekoe Soenda pa­rantos ninggang di oesoem, nadjan teu atjan tjeujah tapi papatjal mah rek nindak di andjrah, sedeng naker oepami Poesaka Soenda djoemoeroeng ka anoe karagoengan hadas, ngiring medar boekoe anjar, anoe sae sing kaoeninga saena, anoe awon sangkan tembong awonna, balaka sa­hinasna moal aja kiloeng paminding.

Perloe naker Poesaka-Soenda anoe nga­loeloegoekeunana, da moenggoehing anoe lian mah ana ngabobot Soenda teh, radjeun soelaja tina enjana, lantaran pasalingsi­ngan pamilih, teu timoe dirasana sambel medok; pentil hiris kepokan roaj-koeroe­poek, pagar peuheur madjar keutar ho­reng letah lain dina perenahna, Ana niro njotjol sambel, rambisak tiboeboerandjat. Geuning boekti aja anoe ngareuweuh-reuweuh kana tjarita Soenda, boekoe Enden Sari, Enden Retna sareng sadjabi ti eta, madjar kitoe madjar kieu, ari estoena mah taja lian, ngan rasa noe patoekang-toe­kang.

Geura, mangga ajeuna mah oerang pe­dar, oerang talek bae boekoe-boekoe anjar teh hidji-hidji. Ngawitan ngawajangkeun:

1. BADINGKOET, boekoe karangan M. Sastraatmadja, kaloearan Bale-Poestaka Weltereden, Sri N. wedalan taoen 1923.
Eusina: Njaritakeun adat kabiasaan alam ka toekang-toekang, paselang djeung panoengtoen roekoen, dipapaesan koe dongeng. Anoe djadi loeloegoe, rioengan Ama Barkat djeung kantjana, wangkong kolot patema djeung noe ajeuna, ana ditempas koe sempal goejon Oedjang Totong.
Basana: Basa kolot, teu make diraeh koe teplakan, estoe sahinasna anoe njarita bae, anoe matak ngeunah ka oerangna teh, me­renah kana rioenganana.

Ieu boekoe estoe loetjoe, asa njaba ka baheula, asa ngarioeng di lemboer, soeroep [ 106 ]panoendoeng toendoeh, tina asa di kieuna breh miloe gempoengan, miloe soeka miloe seuri, malah tampolana mah kapaksa akej­-akejan sorangan.

Moal boa, ninggang repok Padaringan­ kebek geura djeung anoe ngagaraleuh teh; loeang njangsang lain koe pamaksa deui ongkoh!

2. VOLKSALMANAK SOENDA, taoen 1924, kaloearan Balé Poestaka Weltevreden.
Eusina: Roepa-roepa anoe perloe dika­njahokeun koe oerang, saper­tos: Atoeran perdjalanan dja­maah, anoe rek maroenggah hadji, masakan-masakan; oe­bar-oebaran; atoeran paga­dean, piwoelang piloeangeun; samboengan lajakon Cioeng Wanara. geus poegoeh deui ari boelan tanggal sareng samaktana kabiasaan almenak mah.
Basana: Sahanteuna da ditalingakeun koe saratina, nadjan aja hidji-­hidjieun anoe molos, noe matak ngagetroek moen ngagetroek tea mah, tapi nya teu sakoema­ha, sakitoe mah mokaha bae. Ari koe kitoe tea mah rek aja noe pating galasroek oge nja meureun, dina almenak mah, dihoeloe-hotanana lain hidji tjor ti dieu tjor ti ditoe, aja anoe herang aja anoe sarahan, pan­tes rek teu kasaring kabeh oge, ngan masing tambih imeut bae ka pajoenna, bilih madjar mi­roetjaan.

Tapi . . . . . eusina mah lain loemajan, rea anoe goena geusan obor loemantoeng di taoen pajoen (taoen 1924).

Aki-aki koendang iteuk, mokaha oerang mah moen koendang almenak Bale-poestaka.

3. Manoek hiber koe djangdjangna. Boe­koe kaloearan Bale-poestaka keneh, karangan Rd. Gandaadinagara.
Eusina: Njaritakeun hidji boedak anoe tawekal ti sakola handap tepi ka bisa tamat sakola loehoer, sarta ahirna bisa njekel gawe matjakal. Tjarita Eropa dieun­teupkeun ka Soenda.
Basana: langkoeng ti sakitoe mah kedah koemaha deui.

Ngan . . . . matak handjakal, reh biasana anoe parantos-parantos, boekoe-boe­koe anggitan. Rd. Gandaadinagara teh, sa­linan tina basa Walanda babakoena, teu aja pisan heumna, soeroep merenah ngarareunah, estoe loejoe pisan tina eusi kana basa teh. Geura sapertos koe tjarita Si Remi, kapan saha anoe teu kapintjoet; tja­rita Genoveva sakitoe keunana. Ari ieu . . . . bet soelaja tina rasa, saoer Toean Hekker tea mah kapoengkoer nalika audjeunna djadi goeroe di Kweekschool ngaroedjak sentoel; malah ting galetroek ting galas­roek; eta koe Eropa di ka Malabarkeun, ngeunteupkeun Walanda ka Soenda, teu ninggang pipernaheunnana, soelaja tina adat kabiasaan. Geus bae matak salah sangka madjarkeun teh: „diropea”.

Disoehoenkeun ka sadaja anoe ngaloear­keun boekoe-boekoe, oepami boekoena ho­jong dipedar dina Poestaka-Soenda, soe­pados ngintoen boekoena ka Redaksi P. S. di Salemba 28 Weltevreden.


„Paririmbon”

Asihan-kinasihan sareng djangdjawokan

I

Araning doejoeng Nji Rarakasihan di noesa Tatang; poetra Patih Wirandanoe, nagarana di Padjadjaran; iboena Nji Ambet kasih, nagarana di noesa Tambini. Mi­njak hakim malela tembah ratoe tegoeh goeroeh loeloet dewa asih kinasihan de­neng Allah, sih asih asih Dewi Rajoeng­woelan, poepoetra Indrawoelan, poepoetra Kantjanawoelan; indang asih arep kong­kon marang goeha ganbanesih woelak-wa­lik, asih-asih ka awaking. [ 107 ]

II

Enek-enek sarangenge awaking ngala­hoen boelan, Djoeragan Datoe kasep sora­ngan, ngahioeng bangbara toenggoel, ngaheang bangbara tjatang, njeuseup sari doehoeng sari lampoen, sari gempa rnani­aja, lain njeuseup sari doehoeng sari lam­poeng, njeuseup sari si itoe, mandah rasa si eta, maan sari ka awaking. Noe nga­rioeng djiga loetoeng, noe ngadjadjar djiga odjra, noe ngarendeng djiga monjet, awa­king kasep sorangan, malik neneh malik saneh malik we1as karoenja ka aing, da aing ratoe asihan di boeana pantja tengah.

III

Hadji toeroen hadji kaloengsoer, tjat maja leka maja, awakkoe batan djala dja­wata ngadjalantara, dideuleu ti hareup sieup, ditilik ti gigir lenggik, mangka sieup kana peunteu, mangka lendjang ka salira, da aing ratoe asihan di boeana pantja tengah. Malik neneh masih saneh ka awa­king.

IV

Asihan aing asihan batoe, beunang gee­goeroe ti ratoe, bennang nalek tina hate, mangka itoe ngaloempoeroek sapereti oe­pih boeroek, ngalangkarak sapereti majang ragrag toenggal welas toenggal asih sia ka aing, nja aing ratoe asihan.

V

Asihan, aing asihan Nabi Soelaeman, in­doeng sia nabi, bapa sia rabi, sada gedig koemirintjing, sada gedong koemorontjong, noesa tigang poeloeh kairoet, bagawan sawidak lima kateang.

VI

Asihan aing si toendjoek tjoeroek, tandak-tandoek kali mangkoek, djalan ka patandagan boeroeng, tandang boeroeng leumpang, matak boeroeng kalakoean.

VII

Deuleu-deuleu pindah ngadeuleu, denge­-denge pindah ngadenge, malik neneh malik saneh sing welas sing karoenja ka awak aing.

VIII

Tjoeroek aing tjoeroek angkoeh, bisa ngangkoeh poetra ratoe, bisa ngemban poetra menak, poetra menak kabaringkoes kabantjana kabantjani, mangka djaoeh ti indoengna, mangka anggang ti bapana, mangka meulit ka peudjitna, mangka nje­redet ka hatena mangka ngalemnaj ka ba­jahna, mangka welas mangka asih, mang­ka reret soreang, soreang ka badan awa­king.

IX

Deuleu aing deuleu dangdeung sekitjeup kabantjanakeun, malik deungdeung malik nineung malik welas malik asih, sih asih si itoe ka awaking.

X

Imoet aing Sang Paraboe Tadji, seuri sia mangsing raos, kajoe sia lilintoengan, atma sia lelenjapan, mangka welas mang­ka asih, sih asih ka awaking sia … (- sebat ngaranna).


Wawatjan Babad Galuh.[4]

II. Poepoeh Asmarandana.

(Ti pada ka hidji dongkap ka 12 (1-12) henten diserat)

13

Ieu ditjarios deui,
Ratoe Galoeh ditjarita,
dersana njieun nagara,
ngaran poerwa tjarita,
di Lakbok anoe didjoegdjoeg,
ngandih noe ngaran Noerasa.

14

Noerasa poetrana nabi,
Eta noetoerkeun ka wajang,

[ 108 ]

wayang keur teu tararembong,
waktuna jadi siluman,
teu tembong ku manusia,
mana nusa Jawa suwung,
taya nu bisa ngeusian.

15
Ratu Galuh ĕnggeus linggih,
jadi ratu nusa Jawa.
Wayang tuluy eleh kabeh;
teu aya kacaritana.
Nagri langkung mulia,
reugreug pageuh hamo nimu,
sapĕrti nagar eta.

17
Kacarios Tanah Mesir,
keur waktu jaman harita,
rajana teh nabi Ĕnoh,
nya kitu raja kawasa.
Naon anu pangĕrsa,
geus tinangtu bae kabul,
ku kĕrsa nu Mahamulya.

18
Jadi rea anu ngiring,
ngalampahkeun sareatna;
tina nusa-nusa sejen,
sakumaha parentahna,
geus tangtu dipilampah,
ku sakur anu geus taluk,
ngalampahkeun sareatna.

19
Aya anu hĕnteu ngiring,
ngalampahkeun agamana,
sareatna nabi Ĕnoh,
nya eta Ratu Pusaka, (Ratu Galuh)
reujeung balad-baladna.
Kabeh teu aya nu anut,
eta pirang-pirang raja.

20
Nabi Ĕnoh ĕnggeus ngarti.
Rehna pirang-pirang raja,
sumawonna sejen pulo,
nu teu anut ka anjeunna,
ngalampahkeun sareat,
seug Nabi Ĕnoh nunuhun,
nĕnĕda ka Gusti Allah:

21
"Ya Allahu, ya hu Robbi,
Gusti Allah nu kawasa,
Pangeran alam sakabeh,
abdi nĕda ditulungan;
sakĕrsa, Gusti Allah
sadaya anu teu nurut,
mugi diparin hukuman."

22
Aya suara ti langiit:
"Ĕnoh ulah jadi maras,
pĕrkara pamenta maneh,
tangtu kami teh nulungan,
tapi kudu sadia,
dunya rek dijieun laut,
maneh nyadiakeun kapal."

23
Sadia kapal geus rapih,
lajĕng mancat sabaladna,
..........

24
Tuluy kacarita deui,
lampahna Ratu Pusaka.
Dumadakan bae kaget,
taya anu ngabejaan,
yen rek dirĕndĕm dunya;
sakĕdap geus nyipta gunung,
luhurna kabina-bina.
..........
Lantaran sieun kakeueum K. Raja
sareng abdi-abdina mubus ka gunung."
..........

28
Gancang, kĕrsaning Yang Widi,
dunya geus jadi sagara,
gunung-gunung eta kabeh,
teu aya nu katingalan.

[ 109 ]

Ngan kari Gunung Padang,
jeung eta Gunung Galunggung,
anu masih katingalan.

29
Nĕdĕngna lilana cai,
itung peuting jeung beurangna,
meunang opat puluh poë.
..........
Cai surud, sadayana lalungsur ti gunung.
..........

33
Budal ka pakuon patih,
Ratu mĕpĕdĕk di dinya,
sarĕng balad-balad kabeh.
Teu dicatur di jalanna.
Ayeuna ĕnggeus dongkap,
ka pakuon nu dijugjug,
ngaran lĕmbur Bojong Lopang.
..........
K. Raja nimbalan neangan pinagaraeun.

II. Pupuh Kinanti.

37
Neangan rupana batu,
panjang rubakna pasagi,
batu nu bodas rupana,
"Di mana bae nya manggih,
di dinya pikeun nagara,
keur carita anu gaib."
..........
Patih mĕndak tĕmpat,
lajĕng ngadĕg nagara anyar.
..........

48
Disĕbutna Bojong Galuh.
Nagara alus teh teuing,
disisi ku pagĕr bata,
sarta kakĕpung ku cai.
Keur Ratu di Bojong Lopang,
gunung rugrug burak-barik.

49
Dipanah ku gĕlap sewu,
batuna patingsalĕwir,
ragragan ka pulo lian;
nu ragrag di dieu deui,
jadi sagala pusaka,
marga tina bunung tadi,
..........
K. Ratu garwaan salapan,
tujuh widadari dareng dua istri geulis.
..........

58
Kocap deui garwa Ratu,
eta anu dua deui,
anu ti bangsa manusa,
Sangraja Komala Sari;
ti dinya kagungan putra,
Hariang Banga bupati.

59
Hiji deui garwa Ratu,
kakasih Pramana Sakti;
ti dinya kagungan putra,
Sangiang Maraja Sakti.
Geus tutug carita putra,
nyarioskeun sanes deui.

IV. Pupuh Pangkur

60
Ayeuna nu kacarita,
di nagara eukeur sing sarua jadi,
nu disĕbut Bojong Galuh,
teu aya kakurangan.
Nanging eta ayeuna teh Kangjĕng Ratu
aya manah bade angkat,
keur badami reujeung patih.

61
Tuluy nyaur ka Ki Bondan:
"Eh, Ki Bondan, ku maneh aing teh ganti,
kami rek nuluykeun laku."
Seug Ratu lajĕng ngasta,
lelepenna soca ludira dicabut,
dilaäan tina tanganna.
Ku Ki Bondan geus ditampi.

62
Lajĕng dianggo ku Bondan.
Ari sanggeus Ki Bondan teh nganggo cingcin.

[ 110 ]

rupana jeg warna Ratu,
anu lian kasamaran
sagala tingkah, polah, lampah, laku,
ucap, lengkah, budi basa,
taya nu geseh saeutik.

64
Ratu leungit teu karuhan.
Kitu deui ngaran Bondan ĕnggeus leungit
kabeh jalma nyĕbut ratu.
Pangrasa teu kapalingan;
putra, garwa kabeh oge kaliru.
Taya jalma nu uninga,
ngan Bondan bae pribadi.

65
Pantĕs eta rada panas,
dene eta pirang-pirang anu gĕring
unggal poë teu kaitung,
sabab ku tina reana.
Anu paeh, nu sakarat ongkoh ngubur;
pasaran hĕnteu kabilang,
geus beureum bae ku pasir.

66
Ratu gancang seug nimbalan:
"Maneh, Patih, ayeuna teh geura indit,
ngaronda ka lĕmbur-lĕmbur,
sugan aya nu kaliwat,
di jĕro desa atawa di jĕro lĕmbur,
nu teu keuna ku sasalad;
sukur, patih, lamun manggih."

67
Kiai Patih cedok nyĕmbah:
"Nuhun, Gusti. Jisi abdi hatur pamit,
nyuhun pangestu jĕng Ratu!"
"Eh, Patih, masing yatna."
Tuluy leumpang patih jeung sabatur-batur,
para amtĕnar sadaya,
lĕbe reujeung juru tulis.

68
Mapay ka unggal nagara,
tĕpis wiring paminggir para bupati,
tuluy ka kuwu Ci-bungur.
Arina datang ka dinya,
ningalian ka unggal imah teu nimu,
teu aya anu muriang,
Ki Patih ngahulĕng cicing.

69
Seug mariksa ka kuwuna:
"Paman Lurah, ami bĕt heran teh teuing,
na kumaha nya panĕmu,
mana salamĕt sorangan;
kami ngidĕr teu ngadenge gĕrang-gĕrung.
Aki, kumaha doana,
cing kami bere mangarti."

70
Kuwu Ci-Bungur haturan:
"Nun, Juragan, upami hoyong tingali,
kawit abdi teh tutulup,
hĕnteu mĕndak-mĕndak acan
boroampar kenging rupi bangsa manuk;
lajĕng mĕndak ganggarangan,
diudag lumpat ka pasir."

71
"Seug ku abdi diboroan.
Lajĕng lumpat ganggarangan teh ku tarik.
Diburu lumpat ka gunung.
Di dinya mĕndak ajar.
Seug ngalahir ajar teh:"Ulah diganggu,
eta ingon-ingon urang."
"Sinarĕng lahir deui:

[ 111 ]

72
"maneh teh sing mangka yatna,
tangtu jaga kadatangan ku panyakit,
sanagara meh rek tumpur."
Lajĕng abdi teh haturan:
"Cing kumaha, kuring hayang ulah kitu,
sabatur kuring sadaya,
nyuhunkeun ulah kasabit."

73
Panyakit mangkana nyingkah,
ulah kungsi dongkap ka lĕmbur simkuring."
"Geus kitu, ajar teh nyaur:
"Hade, maneh diberean;
ieu tektek beuweung tuluy sĕmbur-sĕmbur,
kabeh ka opat madhab,
reujeung ka langit ka bumi."

74
"Eta sakitu, juragan,
keur purwana salamĕt sadesa abdi."
Ki Patih cĕngkat ngadangu,
piunjukna aki tea.
Aki kuwu Ci-bungur haturan kitu,
patih lajĕng enggal mulang,
rek hatur ka Kangjĕng Gusti.

75
Teu dicatur di jalanna.
Raden Patih eukeur ngadeuheus ka Gusti,
sarta bari hatur gugup:
"Sim abdi ĕnggeus mĕndak,
hiji desa, lĕmbur ki kuwu Ci-bungur,
salamĕt tina sasalad,
taya hiji anu gĕring."

76
Sangraja lajĕng ngandika:
"Eta naon sababna, Rahaden Patih?"
Ki Patih seug unjuk hatur,
pihaturna ka sang raja,
diunjukkeun sapihatur kuwu Bungur.
Ratu ngarenjag manahna,
ka ajar bĕndu teh teuing.

77
"Patih, maneh geura leumpang,
mawa batur, bopati jeung para mantri,
ngajugjug ka eta gunung,
ajar teh ku maneh ogan,
sing kabawa iringkeun ku batur-batur."
Gancangna Ki Patih mangkat,
barĕng reujeung para mantri.

78
Geus dongkap ka Gunung Padang,
tuluy calik jeung ajar geus papanggih.
"Ajar, sampean disaur,
ku Ratu; kudu gancang."
Pihaturna Ki Ajar teh ngan sakitu:
"Sumangga, ngiring pangĕrsa,
nanging niat jisim abdi,"

79
"rek nyanggakeun beubeunangan,
rupi dodol, bawang jeung kĕmbang saroni,
kĕmbang maalti sacungcung,
koneng tĕmĕn sarempan,
reujeung deui reundeu asalna ti gunung."
Tuluy miang sarerea;
ngaguruh sora nu ngiring.

80
Teu dicatur pangangona,
da geus ngarti sapanganggo bupati,
sapĕrti ayeuna kitu,
moal aya bedana.
Tunda heula ayeuna anu lumaku.
Ratu kĕrsa nyieun gagat,
ngadangdanan hiji sĕlir.

Aya sambunganana.

[ 112 ]

Bintang Ĕmas

Hiji jalan geusan panggugah kabujanggaan!

Hiji jalan geusan panghudang ka tukang ngarang!

Kajabi ti pasang-giri (saembara) ayeuna aya deui pangjurung, pangdeudeul pamakayakeun pamakihikeun Java-Instituut, nya eta baris ngabintangan buku Sunda anu kapilih pangsaena, buku saha bae, kaluaran atawa citakan mana bae, hĕnteu tolih, sok mun alus, basana alus ungkarana, anu keuna anu ninggang kana ĕnyana, mĕrĕnah dina rasana udagan Java-Instituut. Dibintanganana ku hadiah artos f500,- estu wungkul hadiah ganjaran, panambah kauntungan ka anu kagungan damĕl, ka anu ngarangna:

LIMA RATUS RUPIAH.

Tur ka anu kagungan damĕl hĕnteu aya pisan naon-naona, ieu mah nawaeku nambahan untung, tawis bingah pangjurung laku.

Prung geura ngararang!

Pĕrlu diaos ieu sĕrat bewarana ti Hoofdbestuur Java-Instituut.

SĔRAT BEWARA.

Hoofdbestuur Java-Instituut parantos sabilulungan nangtoskeun yen dina unggal-unggal taun, baris ngahaturkeun hadiah (ganjaran) ka nu ngarang buku-buku basa Sunda, Jawa, Madura, sarĕng Bali anu katimbang sae basana sae ungkarana.

Unggal taun pikeun sahiji-hijina basa tea disayagikeun artos f500,- (Lima ratus rupiah), anu baris dihadiahkeun boh sadayana boh ngan sabagian bae.

Sugri anu kagungan karangan, atanapi anu ngaluarkeunana upami hoyong ngiring kana ieu balap hadiah, kĕdah ngintunkeun bukuna tea ka Secretaris Java-Instituut Laan Wiechert 13 Weltevreden.

  1. Disaroengsoem koe S.d.R.
  2. Kenging njoetat tina panglajang Bat. Gent van Kunsten en Wetenschappen.
    Basana, basa soenda Banten.
  3. Kerta sajaktosna sanes rame, tapi: sepi paling soewoeng roesoeh, pangeusina soeka-senang, titingalan halalègar. (S. d. R.)
  4. Beunang njoetat tina Panglajang Bat, Oen V. K. on W.