Poesaka Soenda 1924-09-3(03)

Ti Wikipabukon
Poesaka Soenda 1924-09-3(03)  (1924) 

[ 33 ]

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

:-:
:-:
JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT: ― SALEMBA 28 ― WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngéténg " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P. S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 3


1. Wajang Madija kenging J. Kats katja 33
2. Pikeun pangeling-ngeling ka djaman keur di nagara Walanda ti R. M. Mr. Gondowinoto " 36
3. Kangdjeng Preboe Prang Wedono (Goegoeloe kamadjoean kenging A. Muhlenfeld " 40
4. Kaprabon Karaton Mangkoenagara karangan Hadiwidjojo " 43
5. Pangeran Mangkoenagara IV Boedjangga Ahli Hakekat karangan R. Wedyodiningrat " 46
6. Mangkoenagaran karangan Dr. D. A. Rinkes " 49
5. Djenengan Prangwadono sareng Mangkoenagoro kenging R. A. Dr. Hoesein Djajadiningrat " 52


Wajang Madija
kenging
J. Kats.

Dina ngawitanana Adiparwa, nja eta boekoe ka hidji tina anoe dalapan welas djilid lalakon Mahabharata tèa, kaoengel jèn Radja Djanamadjaja ngadamel korban ― oraj (slangen ― offer), koe margi ramana anoe djenengan Pariksit poepoesna lantaran dipatjok oraj Taksaka. Sadaja oraj kedah dipaehan, kadjabi oraj anoe boga dosa tea. Koe margi èta, Kangdjeng Radja ngoengoen diroengroeng woejoeng sababaraha lamina. Pikeun ngaleledjar manahna, nja ladjeng Bagawan Waicampajana njarioskeun toetoeranana perang [ 34 ]Korawa sareng Pandawa, nja èta anoe gelar djadi lalakon Mahabarata tèa.

Eusina èta tjarios Mahabarata tamatna ngan dongkap ka lalakon poetoe Ardjoena anoe djenengan Pariksit (Perekesit). Aja, dina panoengtoenganana kaoengel lalakon Djanamedjaja, poetra Perekesit, kitoe ogè moeng sapotong.

Koe margi èta, lalakon wajang Poerwa ogè anoe pakemna tina boekoe anoe 18 djilid tèa, nja ngan dongkap ka lalakon Parikesit deui. Noemoetkeun paham oerang Djawa, èta tèh lalakon ti taoen 1 dongkap ka taoen 785.

Kadjabi ti geus ngaloehoengkeun ka loeloehoer alam koena pisan, ieu ilaharna dieunteupkeunana kana alam Wajang tèa, ajeuna aja deui anoe karasa koedoe didjoengdjoeng diloehoengkeun, nja èta para Radja anoe kaoengel dina sadjarah Djawa, boh anoe enja asoep kana sadjarah, boh anoe ngan asal anggitan baè woengkoel. Tapi tangtos pisan kedah aja tjortjoranana anoe kènging dianggo njamboengkeun ti anoe laloehoeng dina Wajang tèa, sing djol tepi ka radja-radja Djawa.

Nja njandak para satria Pandawa didamel galoer dipindahkeun ka anoe sakinten piloejoeeun di dieu, nja èta lalakon Pandji (Wajang Gedog), lalakon Damar Woelan (Wajang Klitik).

Koe margi diatoer kitoe nja gelar lalakon anoe ngawajangkeun Radja-Radja tepi ka djaman Madjapait.

Tapi henteu ngaroentoej, aja djaman anoe lowong antara Wajang Poerwa, anoe disangka panoetoepanana dina taoen 785 tèa sareng ngamimitianana alam Wajang Gedog, anoe tjeuk paham oerang Djawa mimiti ti taoen 1052.

Djadi dina antarana mah, ti taoen 785 tepi ka taoen 1052 tèa, teu aja lalakonna, teu aja wajangna.

Ieu perkawis, nja disaroengsoem diajoeman koe P. A. A. Mangkoe Negoro ka IV

Doepi P. A. A. Mangkoe Negoro ka IV tèh, boedjangga Djawa anoe kawentar ahli ngoelik èlmoe Kasoesastran (Letterkunde) tanah Djawa; nja ladjeng ngarakit sareng ngempelkeun lalakon pikeun njámboengkeun dosa djaman anoe sela-selana teu atjan aja lalakon wajangna tèa, nja èta antara wajang Poerwa (wiwitan, pangheulana) sareng wajang Gedog.

Ari anggitanana tèa nja anoe diseboet Wajang Madija tèa.

Djadi ajeuna mah loejoe poegoeh roentoejanana, mimiti Wajang Poerwa, ditèma koe Wajang Madija, ditèma deui koe Wajang Gedog, (sok diseboet Wajang Antara), ari ti dieu ditèma deui panoetoepna koe Wajang Wasana, atawa anoe diseboet Wajang Kilitik tèa. (Wajang Gedog sareng Wajang Kilitik sok dikoemkeun disebat Wajang Wasana).

Djadi sadjarah Djawa tèh ajeuna mah geus beunang diwajangkeun sagemblengna, awit ti alam koena toeg tepi ka alam Madjapait.

Tapi èta anoe aja tèh masih keneh baè karaos henteu atjan gembleng pisan, da sabèhdieueun Madjapait mah teu aja. Koe margi èta dina taoen 1894 Radén Danoeatmadja parantos ngarang (ngaratjik) lalakon-lalakon wajang ti alam Madjapait tepi ka alam perang Dipenegoro, anoe biasa diseboet Wajang Doepara tèa.

Djadi salsilahna lalakon Wajang tèh kieu ringkesan tjaritana djeung parèlèanana:

Wajang Poerwa.

Ti alam wiwitan dongkap ka Radja Parikesit.

Wajang Madija.

Ti awit poetra Parikesit anoe djenengan Joedajana dongkap ka Radja Djajalengkara.

Wajang Antara (Wajang Gedog).

Ti awit poetra Djajalengkara anoe djenengan Sri Gatajoe (R. Soebrata), dongkap ka Pandji Koeda Lalèjan.

Wajang Wasana (Wajang Kilitik atawa Wajang Kroentjil).

Ti awit Radja Bandjaran Sari, poetoena Pandji (Maèsa Tandraman, nja èta Pandji Koeda Lalèjan) dongkap ka Brawidja ja panoetoep, Radja Madjapait.

Wajang Doepara.

Ti awit Radja-radja Madjapait dongkap ka Diponegoro. [ 35 ]Doepi lalakon-lalakonna wajang Madija tèh babakoena kènging njoetat tina boekoe Poestaka Radja karangan Ronggowarsito, anoe eusina èta boekoe njarioskeun Sadjarah Tanah Djawa, basana aloes pisan kawantoe anggitan boedjangga pamoengkas”, nganoe tjaritana rèa anoe diratjik dirandjing randjing koe panjipta andjeunnanana.

Ngawitanana èta roentoejan lalakon tèa henten sadajana sami. Réréana njebatkeun jèn Jordajana poetra Parekesit tèh kalebet kana alam Poerwa, tapi andjeunna tèh ongkoh kaoengel dianggo ngawitan dina Wajang Madijo deui. (Anoe dina Adiparwa disebat Djanamadjaja, dina pakem lalakon wajang mah henteu aja).

Ari èta lalakon-lalakon tèa poko ratjikanana tjotjog sareng oengelna Wajang Poerwa. Djadi kieu bèrèndèlanana: Ngakaweukeun, sareng ngababar anoe baris djadi djedjer tjarios. Njarioskeun medalna Radja anoe djadi moesoeh. Njarioskeun lampah anoe djadi loeloegoe lalakon sareng toengtoengna anoe disebat bagian Toetasanana.

Dina Wajang Madija para satria-satria deui anoe pada dilalakonkeun tèh, ditjarioskeun perkawis kasenangannana sareng kasangsaraanana, sarta mimitina koedoe baè kasangsara heula, ari noetoepkeunana oenggal-penggal lalakon tèh geus tara aja robahna tangtoe njarioskeun meunang perang ngèlèhkeun moesoeh.

Dina sagala roepi poko lalakonna dina Wajang Madija tèh, nja noemoetkeun Wajang Poerwa sagala oenak-anikna sami baè, aja sadaja, nja èta: nèangan atawa mareboetkeun poetri.

Anoe kagoengan anggitan parantos ngadamel woedjoed wajang anjar diroepakeun Genderewo kadèwatan, anoe biasana ijitjingna di tempat Satria-satria. Ari èta Genderewo tèh sakti manggoelang-manggoeling, koe margi èta dina lalakon-lalakon tèh manèhna anoe ngaramèkeun toer matak bèlok deui, nepi ka djadi tamba bosen kana bagian anoe sèdjèn, anoe mèh teu aja ganti-gantina ngan sakaroepa baè tèa.

Eta anoe kagoengan anggitan tèh kapoendjoelanana, lain ngan dina iasa ngarakitna lalakon woengkoel, da randjinga nana lalakon tèa mah rèréana disangadja henteu leuwih aloes ti manan Poerwa tjarangan anoe geus kakontjara tèa, tapi nja èta iasa ngadamel anoe anjar, panambah satria satria sareng boeta anoe geus aja.

Ari anoe dianggo wajangna, wajang Madja tèh, nja sami baè sareng wajang Poerwa, pada tina koelit didamelna, dalah bangoenna ogè ari sirah djeung awak mah nja sapertos Wajang Poerwa baè. Doepi bagian ka handapna niron Wajang Gedog.

Aja ogè robahanana, teu sami pisan sareng dina Wajang Poerwa nja èta dina geloeng, ari geloeng Wajang Madija mah antara „Soepit-oerang” sareng „Keling” (Tingali gambarna).

Wajang lalaki marakè keris sapertos Wajang Gedog, sareng wajang awèwè sapalih marakè karembong. Ari Genderewo wajangna sapalih mah sapertos boeta baé, ngan sirah djeung beungeutna rekaan anjar.

Keur djaman K. P. Mangkoe Negoro ka IV ngawajang Madijo tèh nganggo gamelan-barang dibèntenkeun ti dina ngawajang Poerwa, anoe biasana nganggo salèndro, ari dina ngawajang Gedog nganggo pèlog. Sok rajeun ogè ngawajang Gedog nganggo gamelan-barang, tapi ngan oekoer dina waktoena bagian noetoepkeun lalakon tèa baè, palebah „Toetasan” tèa, kinten-kinten ti awit taboeh 3 djanari.

Ari gamelan anoe dianggo dina ngawajang Madijo, sakoemaha anoe parantos ditjarioskeun tadi nganggo gamelan-barang tèa, sarta lagoe-lagoena èstoe gendingan. K. P. Mangkoe Negoro ka IV koe andjeun. Moeng, matak handjakal pisan, rèh henteu kantos ditjatet, doegi ka sapoepoesna anoe kagoengan gendingan, sareng satilarna najaga-najagana lagoe-lagoena ogé rèrèana laleungitan moesna teu aja anoe terang

Lalakon Wajang Madijo dianggitna kinten-kinten dina tanen 1880 nanging teu patos nerekab, anoe sok ngawajang lalakon wajang Madijo tèh, ngan oekoer di salelewek Mangkoenegaran baè. kitoe ogè ngan alam K. P. Mangkoenagoro ka IV tèa baè K. P. Mangkoe Negoro ka VI [ 36 ]kantos njanggakeun salianana wajang Madijo tèa ka Kanjeng Sunan. Nanging di karaton ogè awis-awis ngawajang nganggo lalakon Madijo tèh.

Koe oerang Jawa wajang Madijo the teu dipikaresep. Ari lantaranana pèdah oerang dèsa geus ti baheula tabah kana lalakon-lalakon wajang Poerwa, wajang Gedong sareng wajang Kilitik tèa, sadaja apal kana ngaran satria-satria, sarta katjida dipkaresepna. Atoeh nja kantenan bae, panambahna ka noe bieu teh, jenengan Raja-raja, boeta-boeta sareng Genderewo anoe tina wajang Madijo tea ngolembar atawa nambag toeroeg-toeroeg heunteu nganggo patokan asal, tangtoe baè hèsè asoepna kana pikiran oerang dèsa tèh.

Djoemlah lalakona noemoetkeun anoe njarios sadajana aja 90 (moenggoeh dina lalakon Poerwa, Gedong sareng Kilitik mah, lalakon the heunteu poegoeh roentoejanana).

Aja ogè hidji-hidjieun ngaran wajang tina wajang Madijo anoe tepi nerekab ka desa-desa, malah sok dilalakonkeun koe noe ngawajang kakapengan baè mah

Anoe pang-pangan nja èta; Gendrajana sareng sadèrèk-sadèrèkna, Soedasana, Angling Darma (noemoetkeun katerangan K.P. Prang Wedono, Angling Darma tèh, kawasna Radja Jawa Baheula anoe jenengan Airlangga tèa),sareng Djajabaja. Dina ngawajang lalakon ieu anoe dianggo wajangna Wajang — Poerwa.

Naha jasana P.A.A. Mangkoe Negoro IV tèh tina perkawis ieu, bakal moal aja tapakna, moal kapendak boeahna ?

Oerang sadaja pada terang jen P.A.A. Mangkoe Negoro anoe ka VII, kawentar gede pitandangna, sarta katjida ngamadjoekeunana ka soemoekawis poesaka elmoe Kadjawaan sareng kabinangkitan — malah ieu ogè karangan tèh rèrèana nja katerangan pasihan ti andjeuna — parantos ngadawoehkeun kieu:

Engkè dimana sadjarah Djawa geus dirakit noeroetkeun patokan èlmoe, ieu lalakon-lalakon tèh kawasna bakal kènging dianggo, nja èta wajang-wajangna baris soeroep oepami dianggo dina tjarita-tjarita Djawa Koena. Lantaran ieu mah wajangna barang anjar djadi heunteu katjang-tjang teuing koe adat anoe aja ajeuna, nepi ka bakal bisa njoemponan kana pamoendoetna oerang Jawa anoe palinter (ontwikkelden) anoe dina ajeuna-ajeuna seriang jadi saoer, harojong njinggetkeun waktoena ngawajang, oelah sapeuting djepoet, tapi diatoer sing bisa tiloe opat djam baè.

Djadi èta lalakona wajang Madija anggitan K.P.A.A. Mangku Negoro IV tèa, saparantos aja robahan pinganggoeunana, aja areup areupeunana tiasa dihoedangkeun deui koe oesaha Radja anoe nèma sapengkeureun anjeuna; sareng bakal djadi pakakas geusan ngaliarkeun toegoena sadjarah Djawa alam koen ka sadaja djelema.

Pikeun pangeling-ngeling ka djaman keur di nagara Walanda

ti

R. M. Mr. Gondowinoto

Dina hidji dinten èndjing èndjing taoen 1913 nalika koering ngaliwat ka Groenmarkt di den Haag, tèh ti djalan anoe ti Leiden, tempat koering matoeh, koering ningal bangsa koering anoe narembe soemping ka nagri Walanda keur ngararioeng dina latar café restaurant „Het Gouden Hoofd” didjedjeran koe poen doeloer sarta aja di antawis rioengan-rioengan oerang Eropa anoe harita keur maroengpoeng didinja.

Sanadjan sareng anoe narembe saroemping tèh koering teu wawoeh, tapi oedjoeg-oedjoeg ngarasa sono baè, tina kantingal jèn èta bangsa koering, sarta barang geus digeroan koe poen doeloer, toeloej koering miloe ngarioeng, sanggeun wawawoehan sareang tatamoe-tatamoe tèa. Teu salah ti sangka, enja eta teh bangsa koering ti Djawa, nja èta Kangdjeung Pangeran Ario Hangahabehi poetra Kangjeung Sinoehoen Solo anoe tjikal, sareng pangiringna, ka doea Raden Mas Ario Soerjasoeparta [ 37 ]
G. Kaadjeng Ratoe Timoer — R. A. Koesoemo Warthani — P. A. A. P. Prangwadono
[ 38 ]kana poetra Kangdjeng Goesti Pangeran Adipati Ario Mangkoenagoro ka VI anoe padamelanana harita kana Djoeroe basa di Solo. Doeanana arangkatna ka nagara Walanda teh, lantaran harojong ngadjembarkeun kaoeningana, horojong tingali koe andjeun koemaha kaajaan tanah sareng oerang Eropa di nagarana, babakoena nja hojong taringali nagara Walanda. Doepi R. M. A. Soeriasoeparto mah djabi ti kitoe teh sareng bade nambihan èlmoe baris ladjeng diadjar noemoetkeun tjara tjara prak prakan kaèropaankeun, anoe badè dioelik perkawis basa basa Hindia, bababakoena basa Djawa.

Ari èta R. M. A. Soeriosoeparto tèh nonoman anoe gedé topèkna kana diadjar. nadjan andjeunna ngan oekoer kaloearan sakola handap tapi kaoeningana tina perkawis kaajaan tanah Hindia lain looemajan, meh teu aja kapètolanana.

Dina salami oesoem Zomer (moesim panas) andjeunna ngadjrekna di den Haag, sarta engke dimana ganti moesim bakal ngalih ka Leiden, bakal teroes matoeh di dinja rèh badè ngiring diadjar di Universiteit, soepados tiasa ngoelik elmoe elmoe kaperloean Bestuur Ambtenaar, sareng dibaroeng koe ngoelik basa Djawa sareng basa Sangskrit, nja eta anoe djadi keperloean dina padamelanana djadi djoeroe basa tèa.

Koe margi harita di Leiden teu atjan rèa student oerang Hindia, koering sering pisan dongkap ka andjeunna di Achelpenkade. Andjeunna pangandjrekanana sakoemboeh sareng R. M. Soemitro poetra Kangjeng Dalem Bandjarnegara, anoe ajeuna njepeng damel djadi Commissaris Poelisi klas I di Bandoeng, sareng R. M. Notosworo anoe ajeuna djadi Gewestelijke Arts di Banjoewangi.

Koe margi sering silih andjangan sareng sering patepang tèa sareng R. M. A. Soerio soeparto, koering tiasa nangènan, jèn andjeunna tèh, lain ngan pedah pinter réa kaoeninga seukeut woengkoel hormateunana tèh, èta koe djeung aloes adatna, goembira, anggang tina ngarasoela, teger tara gantjang gedag kaanginan.

Dina oesoem tiris sering pisan ari koering keur ngarioeng di kamana tèh dipangmaoskeun atawa ditjariosan pasal-pasal tina boekoe „Tjentini” nja èta boekoe anoe ngandoeng èlmoe Kadjawaan, anoe djadi djedjer lalakonna Amongrogo.

Saparantos koering loma enja sareng andjeunna, nembè koering terang leres, naon margina noe mawi andjeunna sakitoe kapati-patina koe èta boekoe, sareng Amongrogo anoe koe andjeunna didamel goeroe.

Eta boekoe pang didamel ageman sakitoe digoelang gapèrna, rèh tiasa djadi obor sareng djadi pangbeberah pangleledjar dina nalika andjeunna kataradjang kabalangsakan, kasangsara teu kagoengan damel, ngoelintjer di tanah Djawa ngilari padamelan, diiring koe rèntjangna saoerang, sering angkat njatat atawa toenggang karèta api kelas III, ngarereh di sakasampeurna. Nja eusi Tjen tina, toeladan Ki Amongrogo anoe negerkeun kana manahna, sarta djadi pangdjoeroeng kana djoedjoerna lakoe, teu kandeg pegat di djalan, doegi ka toemindak di kamoeljaan.

Dina nalika èta, noedjoe kènging tjotjoba èstoe aja dina kalaraan, ngarandapan sangsara anoe bèh ditoeeun sangsara.

Naon margina noe mawi dongkap ka kitoe?

Nalika andjeunna moerangkalih kènèh sanggeus ramana, nja èta K. Preboe Mangkoe Negoro ka V poepoes, ladjeng dirorok koe sadèrèk ramana, anoe ngagentos kaprabon djoemeneng Mangkoe Negara ka VI.

Ti moemoerangkalihna kènèh andjeunna tèh geus kaantjikan kahojong kana liar ti Solo, kadjoeroeng koe sipat djanglar perbawa lampar, manah salamina motèkar, henteu betah ngahenang ngahening nadjan aja di lobet karaton.

Koe margi èta saparantos medal ti sakola, ladjeng moendoet widi ka kapi ramana tèa, baris ngantoenkeun dajeuh bali geusanna ngadjadi, hojong diadjar matjakal ngilari pangoepa djiwa koe audjeun. Nadjan noemoetkeun kabiasaan harita di Djawa moenggoeh dina martabat [ 39 ]September-1924.max [ 40 ]andjeunna teu kedah aja deui damel djaba ti ngan koedoe senang, nanging teu dianggo owel, ladjeng baè angkat ngantoenkeun Solo, tina gedèna wawanèn, nadjan harita mah kawasna kadjoeroeng koe kamoerangkalihan.

Koe R. M. Soeriasoeparto tjoel baè dikantoen saniskanten anoe bakal djadi djalan kana pangkat kapangagoengan, tjadangan poetra-poetra radja atawa toeroenan radja tèh, andjeunna mah anggoer angkat saparan-paran teu poegoeh anoe didjoeg-djoeg, ngambangkeun kersa, kadar noe bakal toemiba kana salira.

Teu lami andjeunna ladjeng ngamagang di hidji Boepati di basisir Kaler tanah Djawa. Nja ti harita andjeunna nembè oeninga di „damel” ngaoelaan doenoengan anoe keras getol djeung tjepet bener.

Tadi anoe kasorang koe andjeunna katoemaninahan senang teu aja karingrang, nanging ajeuna èta dikantoen, kedah ngambah noe repet tarèngtong pinoeh koe batoe, roengseb pinoeh koe tjoetjoek sarta komo ari kabèhditoeeunana deui mah, baris langkoeng goerawes langkoeng rèa anoe djadi wagelanana.

Nanging sadjeroning andjeunna njepeng damel sanadjan poetra radja, toeroenan pangagoeng loehoer, teu pisan dianggo kamegahan, teu aja pisan ngabèdakeunana salira ti anoe rèa, nja kitoe deui ka doenoengan, nja sakoemaha koedoena anoe koemawoela baè.

Kaabotan anoe djadi tanggoengan karaos koe andjeunna, gadjih teu kènging dibèbèr-bèbèr, padamelan tambah meuweuh koe doenoengan dipoeoek koe haok.

Sakitoe deui teu welèh prihatin teu tinggal ti katawekalan. Tina gadjih anoe teu rèa tèa sapalih dipaksakeun ditjandak keur waragad diadjar nambihan pangarti. Iasa naèk-naèk kapangkatanana, dongkap ka djadi Mantri Kaboepatèn. Nanging tina Mantri Kaboepaten, lantaran pakè trok nepi ka moendoet lirèn, badè ngilari deui padamelan sanès.

Ti dieu awitna andjeunna njorang toenggara manah anoe banget, lantaran roepi-roepi kasangsaraan, ider-ideran ngilari damel, Tampolana dongkap ka teu kagoengan keur salin, panganggo moeng anoe raket dina salira. Nanging nadjan ngagilintjing aja dina kalaraan, teu pisan petot ihtiar. Ari anoe djadi pangleledjar manah, taja lian ngan ngaos boekoe Tjantini tèa, anoe eusina karaos matak djadi pangreugreug galih, sareng Amongrogo noe ngadjoe roeng lakoe, nepi ka teu roeboeh koe pakè weuh, tawekal mapaj djalan ihtiar tea.

Nanging saniskanten ogè kedah aja toengtoengan, lara bagdja tara lana, nja kitoe deui kasangsaraan R. M. A. Soerio soeparto bakal kasilih koe marga lantaran anoe brasna kana kamoeljaan, bakal linggih dina poepoetjoeking kaagoengan.

Kaleresan aja lowongan Djoeroe-basa di Soerakarta. R. M. A. Soeriasosparto babalagondjangan ngiring ngalamar èta kapangkatan. Rèa anoe kaget ningali di antara bèrèndèlan anoe ngalalamar èta padamelan tèh, bet njelap aja Djenengan andjeunna, tina katerang anoe lian mah, teu aja deui ngan R. M. A. Soeriosoeparto tèh oeroet Mantri Kaboepatèn, henteu aja katjaritakeunana meunang pangadjaran loehoer.

Nanging èta kapangkatan tiasa ragrag kana pananganana, nja èta lantaran koe toean van Wijk anoe harita djadi Resedèn di Solo, saparantos djongok sareng andjeunna, kaoeninga jen èta anoe diadjak tjarios tèh sanès djelema loemajan.

Barang dek djadi Djoeroe-basa oedjoeg-oedjoeg kaanggo baè koe noe ti loehoer. Saparantos njepeng èta padamelan andjeunna iasa ngalaksanakeun pamaksoedan anoe parantos lami dikandoeng dina kalboena, nja èta hojong angkat ka Eropa, ngoelik èlmoe di nagara Walanda, geusan nambahan kaoeningana, tina roemaos ngan oekoer kaloearan sakola handap anoe rèa pisan kakiranganana.

Saparantos kawidian verlof nja Djengkar ka Eropa sasarengan sareng Pangeran Hangabehi tèa.

Di nagara Walanda R. M. A. Soeriosoeparto ngandjrek di Leiden, ngiring kana diadjar perkawis Oostersche Letteren. Selang-selang tina ngoelik pangadjaran, [ 41 ] sok ngarang boekoe-boekoe keur ka Balè-poestaka sapertos perkawis perdjalananana ka Eropa, sareng sok njalinan karangan Boedjangga Hindoe Rabindranath Tagore, sareng tina karangan R. M. Notosoeroto, disalinna kana basa djawa.

Estoening matak kagèt ari ngemoetkeun kana kaseukeutanana, rèh pilakadar kaloearan sakola handap, tepikeun ka iasa njalin gedichten (basa dangding) anoe sakitoe loehoerna sakitoe baranggana, toer keuna sarta katepi rasana. Kadjabi ti kitoe tèh deui èta matak hèran koe anganggona, ahli toetoeloeng teu aja djegikanana, pikatjonggaheun noe lian, sarèhsèh goembira salalawasna. Nalika nja salah saoerang rèntjang diadjar, oerang dieu, anoe kawen èksamenna, andjeunna anoe geus gentèng kadèkna legok tapakna, iasa moekproek ngahoedangkeun eui napsoena èta anoe keur kataradjang liwoeng, nepi ka ladjeng kersaeun ngawanohkeun andjeun ngiring deui diadjar, ja doegi ka hasilna kènging èksamen dina taoen pajoenna.

Nalika aja geundileung-geundjleung perkawis badè ngajakeun Militie pikeun oerang priboemi, geusan pangdjaga tanah Hindia, diwawar boh koe lisan boh koe serat-serat kabar, djadi toengtoeng tjatoer sadajana. Oerang dieu anoe keur djaladjar di nagara Walanda tèa ogè henteu tjaritjingeun, nja R. M. Notosoeroto sareng R. M. A. Soerjosoeparto pada-pada henteu rerempoegan heula, laddjeng maoendoet djadi Militie, tina arandjeunna katjida sapoekna kana èta atoeran, sakalian bari nèmbongkeun wadjih sarta ka boehoeanana Vorstenlanden ka Paamarèntah Nederlan.

Pikeun lebet kana Militie tèa kedah aja aidin ti Minister van Kolonie sareng ti Seri Maha Radja. Ieu ogè poetra Hindia ande doeaan tèh ladjeng ngalebetkeun ioendjoek deui sarta dikaboel teu aja wagelanana.

Kawadjiban sareng katoehoean R. M. A. Soerjosoeparto tea henteu dimomorékeun koe Pamaréntah, boekti dina pangungken anoe ti loehver, nadjan andjeurma teu ka goengan diploma anoe ninggang kana ka- mistian djadi opair, tapi teu boeroeng diangkat kana eta kapangkatan. Sa- reng aja deui margina ande sanès, anoe ditjileuk koe andjeunna pang lebet kana reservekader.

Moenggoel pikeun salirana, sanes ka loearan sakola loehoer, teu diploma-diplo- ma atjan, ajeuna iasa senang sareng asa geus teu aja pikaharinghangeun. Nanging kitoe deui henteu pisan mastikeun, naha èta sang kalaraan sareng sang kabalang- sakan, anoe tadi kakara alaloendoer tèh ti wangkid andjeunna didjoengdjoeng kana Djoeroe-basa Djawa tèa, enja bakal sala- lawasna anggang tina salirana, moal nga- goda Laralik deui tjara tadi.

Deparni andjeunna iasa ngoedag pang- kat opsir tea, nembê bakal reugreug pa- geuh moal dirèwong koe kahariwang, sar- ta bakal aja tanggetan geusan dialan ki- pajah noe tangtoe. Sarta aja kersana eng- kè dimana geus moelih ka lemah tjaina baris nembongkeun boekti ka perang Dja- wa, jèn di nagara Walanda ogè, oerang bisa meunang gawè dina roepa-roepa ka pangkatan. Dalah salirana koe andjeun ande teu ngantongan piagem, ngan koe lantaran teroes diadjar, teu boeroeng kè- nging pangkat anoe loehoer, tanda jèn di nagara Walandana tèh hnteu gaplah moe- bah teu poegoeh.

Kabiroejoengan koe wahjoe, nja laksana tèa lasa djadi opsir. Ajeuna andjeunna ma- joenan deui damel anoe obat pisan. ngan sanès abot koe koerat-karèt masakat tjara keur ngamagang téa, ieu mah karípoeh salira ngalakonan kamilisian.

Anoe henteu biasa mah nganggo sapatoe soldadoe, anoe rebèh mèh masagi, koelitna rarengkeng kendewil, mangkaning mang sanés djam-djam dipaké diadjar baris, siksaan loeloemajanan.

Nanging dasar djelema tawekal teu ara aral soebaha, sanadjan sakitoe djoengkrang djingkroeng téh, hih teu welèh goembira, ari soemping mentas baris tèh koedoe baé bari hahariringan. Soemping-soemping ka boemi di Regiment Grenadiers di Resi[ 42 ]redentiestad sabot djadi militie mah linggihna — anoe pangheulana dibalangkeun tèh sapatoe, anve koe oerang tangsi mah dilalandi „turftrappers” sapatoe kitoe tèh, sarta geuwat anve baloleksekna dina sanipèan dilandongan, anoe raraheutna dibeber.

Tapi pasosoréna, tjling deui baè ka tangsi bari teu kantoen hariring.

Teu sabaraha antawisna ti saparantos andjeunna lebet kana militer, nja der perang Eropa tèa, sarta andjeunna katarik kana balad anoe kedah ngadjagi.

Teu lami ti wangkid èta, andjeunna dilebetkeun ka sakola anoe diantjokeun pikeun ngadjar opsir-opsir anoe perlop ajana di Amerspoort, sarta heuleut sawatara lamina andjeunna kenging pangkat opsir, Leklan ka 2 (2e Luitenant).

Saparantos kènging pangkat èta ladjeng moendoet verlof, sarta sabada doemeuheus (audientie) ka Seri Maha Ratoe, enggal baè moelik ka Djawa.

Barang geus rawoeh ka dieu diangkat kana Adjoen Kontrolir Agrarische zaken di Soerakarta sarta teu sakoemaha antawisna ti dinja, nja didjoengdjoeng kana djadi Radja di Mangkoenagara, ngagentos kapi raniana, Mangkoenegoro VI, anoe moendoet liren tina karadjaan. Dina ngawitan didjoengdjoeng loenggoeh djoedjoeloekna Kangdjeng Goesti Pangeran Adipati Ario Praboe Prang Wadono, pangkat kamiliteran Luitenant — Kolonel tetulier bala tantara Hindia.

Ajeuna koe margi joeswana parantos djangkep 40 taoen pangkatna djadi Kolonel titulier, ari djoedjoeloekna Kangdjeng Goesti Pangeran Adipati Ario Mangkuenegoro ka VII.

Tah ieu sabagian tina lalakon andjeunna, nja èta hidji pangagoeng anoe geus ngarandapan kalaraan kabalangsakan, tina pangkat handap oenggah-oenggah dongkap ka agoeng aja dina poetjoek kamoeljaan, koe djalan oesaha koe andjeun tina magang tepi ka djadi radja.


Kandjen Preboe Prang Wedono

(Goegoeloe kamadjoean)

kenging

A. Muhlenfeld.

Djisim koering geus teu hamham deui jèn anoe ajeuna djoemeneng Radja di Mangkoenagaran tèh, rèa pisan tjarioskeuneunana, tina perkawis ngahoedangkeunana deui kamadjoean oerang Djawa, nanging koe koering di dieu moal ditètèk sadajana, ieu mah ngan sakadar mertèlakeun sabagian tina panganggona (karakter) Praboe Prang Wedono pikeun njoem- ponan pamoendoet Redaksi Djowo (Poesaka Soenda), eusikeuneun kana Poesaka Mangkoenagaran nomer. Ari perkawis tjariosan djabi ti ieu mah anoe langkoeng imeut bakal didadar koe anne sanes.

Doepi perkawis wintjikan lalakonna ti moemoerangkalih dongkap ka djoemeneng radja, anoe tadina koe anoe rèa mah teu pisan disangka sangka, tingali baè karangan koering dina taoen 1915 sareng 1916 dina „Eigen Haard” sareng „Neder-landsch-Indië Oud en Nieuw”

Koe sadaja ogè geus kaoeninga jen suparantos Kangdjeng Preboe Prang Wedono njepeng kakawasaan, djadi Radja Mangkoenagaran, seueur pisan anoe koe andjeunna parantos dipetakeun, sareng dipadjoekeun, nja èta sapertos ngaloeloegoekeun kana ngolah poesaka èlmoe Djawa (Javaansche Cultuur), soepaja samoekawisna bisa hiroep deui dina kadjembaranana. Dongkap ka oepami teu aja andjeunna mah anoe djadi panaratas djalan, perkawis Congres voor Javaansche Cultuurontwikkeling dina taoen 1918, sareng Congres Taal Land en Volkenkunde dina taoen 1919, anoe dindegkeun di Solo tea, geus tangtos moal aja, moal bisa kadjadian. Nja kitoe deui lamoen teu aja lantaran ti andjeunna, nja moal ngadeg Java-Instituut anoe bisa nerekab tjara ajeuna; sarta rèa pisan pangdeudeul pamoepoedjoehkeun andjeunna kana toemoewoehna sareng kamadjoeanana èta pakempelan. [ 43 ]Ari pangaroeh andjeunna saparantos djadi Radja mah koering teu badè pandjang pandjang, lantaran ngarasa koerang merenah, sebab ti taoen 1914 koering geus teu njekel gawè di wewengkon Karadjan Mangkoenegoro, sarta njaba ka Solo tèh lalantangan ngan oekoer sakali-kalieun baè. Tapi koering terang leres jèn andjeunna tèh majoenan damel anoe abot pisan. Andjeunna tèh minangka moeridna toean van Wijk, nja koe ieu didjoengdjoengna; eukeurna di nagara Walanda ngahidji sering soemping ka toean Mr. C. Th. van Deventer marhoem, ari samoelihna ti nagara Walanda, teu lami toeloej didjoeng- djoeng loenggoeh tèa djadi Radja, kedah sasarengan didamel sareng Gewestelijke Bestuurhoofden anoe teu pati tatas bener kaoeningana tina perkawis pamendakna kana atina bangsa Djawa anoe palalinter. Eta kaajaan (toestand) anoe kitoe nembè ajeuna-ajeuna aja robahanana, disaèan.

Dina salebet opat lima taoen mah ngawitan njepengna damel, tangtos pisan andjeunna ngaraos bangga enggoning ngolahna pamarèntahan tèh, lantaranana sanès moeng kedah majoenan hantjaeun merangan adat kakaom-kolotan (conservatisme), anoe aja di wewengkona baè woengkoel, nanging sareng kedah ngoedag kamadjoeanana ontvoogding deui, anoe kaleresan alam harita keur ngawitan aja ontvoog ding di kagoepernemènan, doegi ka andjeunna di Volksraad teu kirang-kirang ngaloearkeunana saper anoe paredes tina perkawis èta.

Eta anoe disaoerkeun koe andjeunna tèh moal pati djaoeh sareng boektina, tjotjog sareng katoegenahan djelema anoe kawas beuki woewoeh-woewoeh tèa.

Heuleut sawatara taoen nja dongkap robahan tina perkawis èta, anoe teu matak tjangtjaja deui jèn pamarèntahanana beuki jami beuki woewueh matak njalametkeun ka nagarana.

Ajeuna djisim koering rek njarioskeun perkawis panganggo (karakter) andjeunna anoe leuwih ti anoe lian, nja èta peta-petana dina perkawis ngaloe-loegoekeunana ngoekoehan roepi-roepi pitoein adat Djawa anoe araloes, anoe medal tina timbangan manah kaajeunaankeun.

Nalika andjeunna rèndèngan, aja salah sawios tamoe anoe njarioskeun kahérananana ka koering, wirèh Kangdjeng Prang Wedono, anoe aja taoenna di nagara Walanda, di ditoena ngoelik kapinteran, sarta geus djadi militie ngalakonan djadi soldadoe, sagoeloeng sagalang djeung sagala golongan, sarta tètèla geus sagala tabah di ditoena tèh; tapi naha, saoerna, ari ajeuna kawas ngeunaheun naker, noeroetkeunana adat koena, nganggo anggoan pangantèn kabaheulaan, salira boeligir, ngamboeng kana tekoe mertoeana, sarta djigana teu aja kakoe-kakoena.

Tah, apan èta sakitoe anèhna, nepi ka aja djalma anoe kitoe pikiranana, bawaning koe teu ngartieun kana djerona rasa kadjawanana Kangdjeng Goesti.

Ari karèrèaanana djelema baroga sangka maroekan dina rèndènganana téh, bakal nganggo roki, didasi bodas, atanapi nganggo anggoan kabesaran Luitenant-Kolonel, atawa sakoerang-koerangna bakal nganggo panganggo opsir (Luitenan der garanadiers) pangkat keurna di nagara Walanda tèa.

Malah aja deui anoe boga pangira jèn pang kitoena tèh ngahadja ngahinakeun andjeun, bawaning koe hajang kagoengan garwa ka poetri poetra Soeltan, madjarkeun tèh.

Tah geura èta, tepi ka aja anoe boga pikir kitoe!

Dina adat kawin atoeran Djawa tèh rèa pisan anoe aloesna, koe sabab èta pikeun djelema berboedi teu koedoe emboeng teu koedoe ngarasa aèb, metakeun adat anoe sakitoe aloesna mah. Ari Kangdjeng Preboe Prang Wedono teu pisan-pisan hojong djadi Eropa poelasan; jaktos andjeunna ngaraos pereloe oeninga èlmoe sareng adat Eropa, anoe sakira ajeuna beunang ditiroe sing tepi ka lasa enja, oelah mutak kagok dina tjampoer sareng bangsa Eropa anee palinter.

Sanadjan andjeunanana katjida mageuhanana kana samoekawis pitoein adat Djawa anoe araloes anoe balener, tapi teu pisan-pisan ngoekoehan adat anoe ngaleu-leuwihi, sina tetep baè, dalah udat-adat [ 44 ]anoe ngalemah dina mang windoe-windoe, toer geus mawana kana karoesakanana bangsa koe andjeunna teu taha-taha saiasa-iasa ditjegah atawa dipitjeun pisan.

Tata hormat anoe lain-lain, anoe masih kènèh diaranggo atawa koedoe diparetakeun di sakoeliah Djawa, koe andjeunna mah katjida teu dipikapanoedjoena, malah rèa anoe koe andjeunna didangdosan atawa dirobah. Eta panganggona kitoe tèh mapaj tapak kapiramana tèa, sareng ngaladjengkeun anoe parantos didjalankeun koe Radja-radja anoe sapajoeneun andjeunna, anoe pada geus kawalentar djenenganana. Sapertos tina perkawis hormat-circulair anoe diwawarkeun koe K. T. Besar Van Heutsz téa moenggoeh di Mangkoenegaran mah parantos aja ti sabèhditoeeun èta, sarta boeahna leuwih hadè leuwih teurak batan di anne sanès.

Kangdjeng Preboe Mangkoe Negoro anoe ka VI, nja èta anoe digentos koe andjeunna, kalepasan teuing atoeranaua tina perkawis ngarobah papakèan kadjawan, njaèta réh koe andjeunna kagalih papakèan kadjawan tèh matak ridoe henteu pikabogoheun. Nanging èta atoeran kitoe, koe K. Praboe Prang Wedono anoe ajeuna, henteu diladjengkeun sahinasna, ari koe andjenanana mah kakoeranganana sareng kagorenganana dina pakéan kadjawan asal anoe disaean; sarta diongklangan teu koedoe noeroetkeun teuing oegeran atoeran baheula. Kitoe ogè koedoe makè pakèan kadjawan tèh noeroetkeun koemaha merenahna baè, nja èta saperti dina sagala hal anoe toelèn atoeran hiroep koemboeh oerang Djawa. Ari pakèan Eropa, babakoena pikeun lalaki, pangna kapilih. tina geus tètèla gampangna pikeun dina kaperloean djaman ajeuna, sareng pikeun dina tjampoer djeung bangsa noe lian, njoemponan kaperloean pamènta doenja. Nja kitoe deui ngarah toemaninah dina tjampoer djeung pada oerang Djawa deui, boh di Mangkoenagaran boh di loear, teu aja matak kagokna tjara make kadjawan. (Dina perkara ieu koe oerang koedoe diingetkeun hal atoeran makena keris). Geus poegoeh deui ari papakean kaperdjoeritan Mangkoenagaran mah, da poegoeh geus aja windoena, tepi ka geus ngalemah sasat geus djadi pakèan Djawa baè.

Kangdjeng Praboe Prang Wedono, lomana teh djaba ti djeung para Pangeran-Pangeran, mènak-mènak atawa pangagoeng-pangagoeng di tanah Kasoenan, ngahidji sarta tjampoer deui djeung pangkat atawa golongan handap, anoe pada reresep kana ngamadjoekeun poesaka-èlmoe kadjawan (Javaansche Cultuur) atawa anoe djarero èlmoe kabatinanana.

Dina rioengan-rioengan biasa, nja èta ana keur gempoengan sareng djelema-djelema anoe disebatan tadi tèa, sarta radjeun aja bangsa Eropa anoe sapangabogoh sareng andjeunna deui, èstoe teu kawas radja ka pangkat atawa. djelema handap, ieu mah prah baè.

Di tanah kagoepernemènan parantos mangtaoen-taoen aja atoeran panjegah kawin boedak, lantaran di sawarah tempat mah èta tèh geus djadi adat anoe pageuh pisan, tepi ka ajenna teu atjan bisa moesna kènéh baé. Moenggoeh K. P. Prang Wedono, teu lami deui antawisna ti barang andjeunna madeg Radja, ènggal baé ngadamel pranatan (oendang-oendang) geusan panjegah kana èta kabiasaan awon, soepaja leungit ti karadjaanana, nja èta boh mènakna boh koeringna anoe aja di wewengkonna dipatok watesna oemoer pangngorana pikeun meunang kawin, soepaja djadi tjonto ka djelema leutik.

Koe Kangdjeng Praboe Mangkoe Negoro ka VI, kabiasaan atoeran baheula ngaganti ngaran prijaji anoe oenggah kapangkalanana, parantos dileungitkeun.

Doepi koe K. P. Prang Wedono ajeuna, sanès ngan ditoemoetkeun tepi ka dinja baè, malah teras dipadjoekeun satindak deui kasaèanana, nja èta ngadamel atoeran, anoe mimitina mah ngan toedjoel ka noe geus palinter baè heula, koedoe tetep marakè ngaran toeroenan, ngaran anak koedoe tjara ngaran bapa, nja èta ngalalanjahan kana rèk ngajakeun Burgelijken stand sareng boekoe-djiwa (Bevolkingsregister) anoe djadina babakoena koe ajana atoeran ngaran-toeroenan tèa. [ 45 ]Tina perkawis ngolahna kabinangkitan atanapi kaboedjanggaanana K. P. Prang Wedono, koe koering di dieu moal ditjarioskeun deui, da anoe maraos ieu P. S. geus moal bireuk ka andjeunna tèh.

Kana perkawis poelitik andjeunna tèh henteu tinggaleun, malah barètona mah baris djadi kokodjona, soemawonten saparantos kapilih kana president Hoofdbestuur Boedi Oetomo mah, nja èta dina nalika nembèan pisan rawoeh ti nagara Walanda tèa.

Nanging saparantos andjeunna djoemeneng Radja, kapaksa kedah njandet andjeun, èta margina anoe mawi di Volksraad andjeunna teu patos kersa sasaoeran, nanging sanès pisan-pisan ari moeng koer tina kamadjoean mah.

Kalawan pamoendoet andjeunna, pagoejoeban Regentenbond parantos ngadamel kempelan taoenan di pendopo Kapatihan Mangkoenegaran dina taoen 1917. Pang andjeunna aja pamoendoet kitoe, minangka badè moekakeun lawang karaton, moekakeun gapoera tanah Kasoenan (de poort der Vorstenlanden), anoe djadi tempat poeseurna poesaka-èlmoe kadjawan (Javaansche Cultuur), ka para Boepati satanah Djawa, anoe biasana ka pengker- pengker mah tara kararasea sareng ngadjaoehan deui ka Solo sareng ka Djogdja tèh kadjaba ti para Boepati anoe djadi wargi salah sawios Radja-radja tèa mah. Ari pang sareunggah para Boepati tèh saroemping ka karaton, tina wegah koe metakeunana adat Djawa, dina prakna dahas deuheus ka radja-radja tèa.

Eta soegri anoe ngadjadikeun matak seunggah sareng matak wegah tèa, koe K. P. Prang Wedono sadajana disingkahkeun, andjeunanana mah kersa maparin kalonggaran koe metakeun tata Eropa, atawa tata Eropa kadjawaankeun. Petana kitoe henteu salamina sampoerna kadjadianana, tapi koe andjeunna kagalih jèn dina ganti mangsa mah (tijdperk van overgang), nja djamak baè, koedoe noengtoet dipilih-pilih baè mana anoe bakai pimerenaheun.

Koe margi èta lami-lami para Boepati ti tanah Kagoepernemènan tèh, nja kitoe deui djelema anoe palalinter ti loear tanah Kasoenan, iasa loma ngahidji sareng andjeunna. Lantaran andjeunna kagoengan panganggo kitoe, nja djadi panarik ogè ka para Radja-Radja anoe sanès deui, nepi ka lami-lami mah ieu ogè henteu patos kapoeket teuing koe ngoekoehan kabiasaan koena, tina perkawis tata ka anoe lian mah.

Doepi kana pigoenaeunana ngahidjina deui ati oerang tanah Kasoenan (Vorstedlanden) sareng oerang tanah Djawa anoe sanès pikeun ngoedag kamadjoeanana sareng koemboehna Poesaka-èlmoe Kadjawan (Javaansche Cultuur), geus moal boa engke ogè bakal karaos sareng kaoeninga koe sadaja.

Panoetoep tjatoer, perloe ditjarioskeun jèn tatali poesaka-èlmoe, antara Djawa sareng Bali, anoe parantos mangwindoe-windoe pegat keuna koe renggang, ari ajeuna èta doea poesaka èlmoe anoe medal tina sapalajangan tèa, parantos patepoeng deui. Anoe njamboengkeunana karaketan ati èta doea bangsa, gegedéna nja oesaha Pangeran Adipati Aria Mangkos Negoro ke VII, anoe djenenganana bakal tetep djadi katjapangan diseboet Prang Wedono Goegoeloe Kamadjoean.

Andjeunna tèh tètèla pisan hidji perdjoerit anoe djadi senapatina kana ngamadjoekeun bangsana djadi panjipoeh panghoedang rasa kana moepoesti Poesaka-Elmoe, kabinangkitan sareng kaboedjanggaan katoet ka adat-adatna loeloehoer Djawa.

Moegi-moegi lambat lamboet pandjang-poendjoeng djoemenengna Mangkoe Nagara, ginandjar kawiloedjengan woewoeh kaagoenganana.

Loemadjang, Augustus 1924

Kaprabon Karaton Mangkoenagara.

karangan

Hadiwidjojo

Djisim koering ngaraos bingah marwata soeta, doemeh tiasa ngalaksanakeun pamoendoetna Bestir Java-Instituut, ngadamel ieu karangan keur lebetkeuneun kana [ 46 ]Poesaka Soenda Mangkoenegara-nummer, anoe koe adjaman Bestir baris dikaloearkeun dina dinten-dibabarkeunana sobat djisim koering K. G. P. A. A. P. Prangwadono anoe ka-40 tahoen. Ari noe mawi djisim koering ngaraos bingah kabina-bina margi asa mobok manggih gorowong, mendak pidjalaneun pakeun ngedalkeun kateresnaan ka mitra dalit, nja eta Kangdjeng Pangeran Adipati Ario Praboe Prangwadono, anoe geus tereh kenging gelaran Anoe pangloehoer-loehoerna. Kadjabi ti eta ieu karangan sakalian pakeun djadi tawis pihoermat ka Andjeunna.

Niat djisim koering dina ieu karangan bade njarioskeun Kaprabon Mangkoenagaran, nanging moal paos-paos, rek diboedjeng perloena bae, bade sapertos kapoengkoer basa njarioskeun Kaprabon Karaton Solo dina Sri Poestaka Soenans-nummer tea. Ari noe mawi djisim koering milih bab ieu, margi noemoetkeun pamendak oerang Djawa, poesaka poesaka teh kenging disebatkeun teu pisah sareng Kaagoengan Radja, sasat ngahidji sareng Ratoe; oepami teu aja èta Radja leungit Radjana. Koemargi ieu nomer disajagikeun pakeun dinten-dibabakeunana mitra djisim koering, weweton noe benten ti biasa, koe hal eta, koe emoetan asa henteu lepat, djisim koering milih njarioskeun hal ieu.

Kaprabon Mangkoenagaran dibagi djadi doea roepi, nja eta: ampilan sareng oepatjara. Anoe kelebet kana ampilan, kaprabon anoe kenging disebat djadi anggoan Kandjèng Goesti pisan; ari oepatjara babakoena djadi pangwoewoeh kaagnengan.

Ampilan, nja eta:

  1. Does emas wadah tiap dina baki, ditatetes koe permata.
  2. Wadah lemareun emas dibakian, ditaretes koe permata atanapi „lopak-lopak”; di karaton disarebatna „doos”.
  3. Tempat-loedah emas, oekiranana teu kinten saena.
  4. Wadah-soeroetoe emas dibakian.
  5. Kiai Horong-horong, pedang, perahna emas.
  6. Tameng perak, tengah-tengahan emas belenong (mimbobaskoro) sisina emas.
  7. Teteken toetoep emas atanapi „djoemenengan”; di Karaton disebatna „rottan”.
  8. Bedil pondok (buks).
  9. Toembak limpoeng Kiai Segorowedang (toembak pondok, pandjangna moeng 1.62 M.).
  10. Toembak ambarangin Kini Segoromoentjar, toembak nganggo ombjok soetra; di Keraton disebatna „Towok” (pandjangna 2.20 M.).
  11. Toembak tlempak Kiai Tjokro, toembuk rada pandjang (3.40 M.); di Karaton disebatna „Pegon”.
  12. Padjeng gilap.
Eta ampilan (ampil — mawa) salamina kedah dibabantoen tjaket Kangdjeng Goesti nepami Andjeunna nganggo kaprahon ageng. Oepami sanes kaprabon ageung mah tjekap koe: wadah soeroetoe, tempat-loedah, pedang, tameng, toembak pondok sareng padjeng bae. Oepatjara:
  1. Bokor emas dibakian emas.
  2. Tempat-loedah emas.
  3. Kendi taneuh dilalakon koe emas sareng bokor emas.
  4. Kendi boeah djenggi (pohdjengg¹), diwengkoe koe emas, sarta nganggo disoekoean¹.
  5. Soemboel aloes atanapi wadah koe gelas.
  6. Wadah roko Djawa, djangkoeng koe emas, di tempat sanes disebatna „trontong”.
  7. Doea kepet boeloe merak atanapi larbadak.
  8. Peti Palembang wadah panganggo atanapi kandaga, dibantoenna dina tandoe ¹).
  9. Epok atanapi wadah lemareun tjeplok emas kenging natah²).

1) Tjek tiarios ata boeah kanging dianggo nawakeun bareoang, djadi tjai tina eta kenditjai kawarasan. Wastana eta boeah kon Lattin, benteu tenrang.

2) Kagoengan Kandjeng Rama (Kandjog Soeaoehoenan vert.) wastana gandek, namoeng bangoenna-benten sureng ieu. Tingali Sri Poestaka Soenansnummer katja 110, No. 38.

3) Kagoengan Kandjeng Rarna disebatna „Tjapoeri”. [ 47 ]

  1. Teko perak diwadahan bokor perak, pakeun kokotjok.
  2. Wadah selop koe perak.
  3. Gondewa dilakopan koe emas kenging natah.
  4. Wadah djamparing katoet djamparingna.
  5. Kiai Remeng, pedang emas.
  6. Pasekon atanapi peso kadinesan.³)
  7. Does wadah makoeta.³)
  8. Langit atanapi samak.
  9. Bende Kiai Hangoenangoen atanapi goong
  10. Padjeng bawat.
  11. Tameng perak, ditengahna nganggo toembak genep.
  12. Bedil tjoeplis diseungeutna koe paneker, Kiai Kintjoko.
  13. Bedil tjoeplis diseungeutna koe paneker, Kiai Bromosoro.
  14. Bedil tjoeplis diseungeutna koe paneker, Kiai Hadisoro.
  15. Doea wadah obat.
  16. Opat toembak panoeroeng.
  17. Doea djepitan salempaj.
  18. Doea koeda toenggang; ngarah gampil baris ditjarioskeun pangpandeurina.

Eta kaprabon baheula biasana dianggona oepami Kangdjeng Pangeran Mangkoenagara medal opisil, sapertos; pesta weweton, dinten sibabarkeunana Sri Maharadja, tahoen baroe, ngadeuheus ka Karaton sareng sapapadana. Nanging handjakal pisan eta adat koe Kangdjeng Pangeran Mangkoenagara anoe ti heula dileungitkeun. Ngan hadena koe Kangdjeng Pangeran ajeuna diajakeun deui. Eta perkawis ieu matak heran, margi Kangdjeng Pangeran ajeuna sakitoe moepoestina kana poeka elmoe Djawa. Roepi2 adat sareng toeran karaton anoe teu atjan lami diingitkeun, ajeuna diajakeun deui.

Praboe Kresna, Rasoel dina alam pawajangan, koe andjeunna anoe paraeh dihirepan deui koe kembang Widjajakoesoema. Tah! Kangdjeng Pangeran Mangkoenagara VII teh, lir oepami Praboe Kresna, koe andjeunna adat² sareng tata Djawa anoe parantos ditoempes teh dihiroepan deui. Ngan hiroepna ajeuna benten sareng hiroepna kapoengkoer. Kawantos djamun ajeuna bènten deui kahajangna sareng djaman kapoengkoer.

Oepatjara ajeuna dipedalkeunana moeng satahoen sekali, nja èta dina dinten bibabarkeunana atanapi dina dinten djoemenengna ratoe. Sadajana dibantoenna ditjekel sapertos ampilan, ngan nomer 13, 17 sareng 18, ieu mah noe tiloe diemban koe tjinde. Anoe poerah ngabarantoen, sadajana abdi² karaton, ngaberes di paringgitan (tempat ngawajang) beulah ti wetan, djadi kaetang rada tebih ti Kangdjeng Pangeran, anoe biasana dina lebah raramean kitoe, sok linggih di pendopo sareng tatamoe.

Doepi does wadah makoota (No. 16), wadah lemareun (No. 9) sareng djepitan salempaj (No. 26) diteundeun dina media parantina.

Koeda toenggang anoe doea tea ditjekelan di kentja katoehoeeun paratag rambat antara pendopo sareng paringgitan. Anoe hidji, anoe beulah koelon, dirarahaban karadjaan; baheula sok ditoenggangan koe Kangdjeng Pangeran beunang nganggo panganggo kaprabon, dimana bade ngadeuheus ka Karaton, Koeda anoe hidji deui, noe beulah wetan dirarahaban rarahab paranti senenan (watangan) atanapi rarahab kaperdjoeritan; eta doea koeda dina keur kitoe disebatna „pandengan”.

Kalengkepan anoe kahidji:

  1. Eta koeda ditiekelan koe doea abdi karaton.
  2. Gondewa hidji.
  3. Endong hidji.
  4. Larbadak ¹) (boeloe merak) hidji.
  5. Tandoek perak paranti ngaleueut (etjarak).
  6. Tjameti nganggo disopal koe emas.
  7. Hidji kekeboet paranti ngagebahan laleur.

³) DIKangdjeng Rama teu aja.

¹) Budak warak (Dj.). badak Koemuha asal-moeasalna boeloe merak disebat larbadak. Doeku. [ 48 ]

  1. Dampar, hidji atanapi doen titintjakan paranti nitih koeda.
  2. Padjeng koening keur majoengan sela²).
  3. Opat toembak-panaroeng.

Kalengkepan anoe kadoea.

  1. Eta koeda ditjekelan koe doeaan, doeanana abdi karaton.
  2. Larbadak (boeloe merak).
  3. Tjameti nganggo diemasan.
  4. Tandoek hidji (tjarak)
  5. Toembak kaprabon, Kiai Mahesolindoe.
  6. Kekeboet hidji.
  7. Dampar hidji.
  8. Padjeng hidji.
  9. Wadah (Beker) landoeng.

Bentenna kalengkepan noe kahidji sareng noe kadoea saeutik pisan, nja eta: di noe kahidji aja gondewa sareng djamparing, di noe kadoea toombak, doemeh anggoeun senenan (watangan) tèa. Toembak panaroeng anoe opat ten kaperloeanana ngan keur ngadjagi koeda bae sareng kaanggo oge kana ngawoewoehan kana kagoengan Kangdjeng Pangeran.

Doepi rarahab didamelna biasa koe koe koelit, moeng diboengkoes koe boeloedroe hideung nganggo monterang koe emas; rarahab senenan oge nja kitoe nanging boeloedroena hedjo sareng nganggo „kaloeng pananggalan” koe emas, diterapkeunana dina dadana (handeman Dj.). Eta koeda doeanana mawa pestol sareng wadah panah, diteundeunna dina sela beulah kentja sareng katoehoe.

Djisim koering aja adjaman arek njarioskeun deui pandengan dina karangan sanes.

Ajeuna oerang njarioskeun oepatjara sareng ampilan Prameswari Mangkoenagara, G. K. R. Timoer:

  1. Lopak-lopak atanapi wadah lemareun emas ditaretes koe berlian.
  2. Lantjang, nja eta wadah lemareun paparahoean.
  3. Doea tempat loedah, noe hidji teu kinten saena, nganggo gambar2 maroendjoekoel relief bewerkt.
  4. Ergelek dilakopan emas.
  5. Soemboel.
  6. Pateban (paranti ngaleueut tèh).
  7. Pepetèn wadah artos.
  8. Bokor dibakian sareng samakta parabot toeang.
  9. Wadah (Beker) landong.
  10. Tetenong wadah toeangeun.
  11. Soemboel djangkoeng atanapi katjoe.

Eta barang2 sadajana didamelna koe emas doeket: dina waktoe Kangdjeng Ratoe medal opisil. eta barang2 sadajana ditjandak.

Pangadjeng-ngadjeng djisim koering moegi2 ieu karangan njoemponan kana kahojongna Bestir Java Instituut, sarta tjek angkeuhan ati, djisim koering ngiring ngadeudeul saboeoek sereboek njamoe kana Mangkoenegara nummer. Leres pisan aja sababaraha poesaka anoe henteu ditjarioskeun pandjang, namoeng haprabon Karaton Solo anoe dilebetkeun kana Sri Poestaka Soenansnummer, eta tiasa dianggo nambah-nambah kana ieu karangan.

Ieu karangan koe djisim koering ditoetoep koe pangdoenga moegi2 Goesti Allah maparin rahmat ageng ka Andjeunna anoe dipoedji dipoedja koe Poesaka Soenda nomer ieu.

Pangeran Mangkoenagara IV

Boedjangga ahli hakekat

karangan

R. Wedjodiningrat.

Pangeran Mangkoenagara IV sadjaman sarěng Boedjangga Djawa ande mashoer, nja eta anoe djěněngan R. Ng. Ronggowarsito tea. Kangdjěng Pangeran ngarang tambang pirang², anoe teu kintěn dipikarěsěpna koe oerang Djawa, doemeh sae dangdingna kawoewoeh pinoeh koe piwoelang.

Eta karangan teu atjan pati lami, sadajana, dikaloearkeun koe Ng. Padmosoesastro.


²) Koe margi eta sela sela poesaka, kenging gelar „Kiai”, djadi gadoeh hak dipajoengan. Sadaja Kiai anoe kalebet loehoer kedab dipadjengan, malah Kiai anoe harandap oge, toba anoe kenging pajoong. [ 49 ]September-1924.max [ 50 ]Piwoelang ka poetra sarĕng ka poetri, ka prijaji ka perdjoerit, hal perenahna itoe ka ieu, sareng koemaha perenahna ka Nagara sareng ka Radja, eta pĕrkawis sadajana aja dina Piwoelang. Dina bab „Wirowijoto” disēbatkeun, jen anoe djadi pĕrdjoerit teh salamina kĕdah emoet kana kawadjiban, kĕdah ngagoengkeun kaloehoeran, sabab saoerna: moen koetjiwa mawa tjoea ka salira (jen koetjiwo weh haloen halaning rogo). Dina bab eta keneh aja piwoelang kieu: „Masing aringĕt, mantĕping ati lain ngan koedoe ka Pangeran bae, tapi kana sagala panggawe anoe moelja oge koedoe mantep sarta temen”.

Dina boekoe Sioeti (?) aja lahiranana kieu: pĕrdjoerit anoe tatapa di poentjak Goenoeng Wadja, martabatna leuwih loehoer manan pandita noe tatapa di goenoeng biasa. Djĕlĕma anoe keur oelĕng kana perkara kitoe, oelah arek mikir² kana pati, sebab tiitiingna pati aja dina panangan Goesti, henteu kawisesa koe manoesa. Dimana geus tjoendoek waktoe, ana geus nĕpi ka mangsana adjal, tara milih lantaran. Pati anoe dikorbankeun pikeun ngadjoengdjoeng kaloehoeran toeroehan, saperti pati Ardjoena anoe dipake bela kana kaloehoeran Pendawa, eta leuwih oetama manan paeh bangkar ngahekok di ĕnggon”.

Dina bab „Najokoworo”, hartosna piwoelang ka noe djaradi kapala, aja piwoeroek kieu:

„Para kapala, anoe kapapantjenan ngoeroes abdi², koedoe bisa ngadjaga tata tĕngtrĕm nagara. Tjangreud dina ati, jen eta pĕrkara djadi tanggoengan maraneh. Koedoe daek miwoeroek mitoetoer, sangkan abdi² pada ngalarti hai goenana digawe, mangpaatna boga ingon², kapērloeanana boga tanah, sabab nja eta tatali noe njantelkeun ati abdi-abdi ka imah tanggana djeung ka oempina”.

Estoe matak rĕsĕp oepami maos piwoelang Andjeunna keur ka noe parantos koerĕnan (soemawontĕn istri²); ari ajana dina Darmolaksito; anoe pakeun ka pamĕgĕt anoe djaradi pĕrdjoerit, ajana dina Tripomo.

Dina Tripomo tetela tembong, jen noemoetkeun pamendak perang Djawa lesot tina oegeran pantjadria teh kenging dioedag koe manoesa, Anoe didamel tjonto kasetiaan sareng toehoe kana kawadjiban Satria aja tiloe, nja eta Soewandageni, Karna sareng Oembakarna. Sanadjan lalakonna bentĕn², nanging katembong njatjas, tiloeanana kasinoengan watek Sutria sadjati.

Eta djadi toeladan ka oerang, jen roepi² kadjadian lahir, ngan oekoer djadi lantaran mantjala-poetra mantjala-poetrina ati (geest), sarta djadi pepeling ka oerang, jen kadjadian lahir anoe mangroepi-roepi, tenraka kana ati sok saroen.

Tah nja eta anoe koe oerang kĕdah dioedag teh, da moeng eta anoe awet adjina Pĕrkawis ieu dipedar dina boekoe Wedotomo. Roepa² lampah anoe tiasa djadi djalan „Noenggalna Goest djeung Kawoela” koe andjeunna didadar. Dina poepoeh Poe tjoeng, pada anoe mimiti, koe Andjeunna ditĕrangkeun, jen elmoe teh kakara tiasa boekti, nepami diamalkeun nepi ka „kèrem", tegesna dipoehit nepi ka loeket ngahidji salira djeung adji. Doepi wawatonna: mimitina kĕdah tiasa ngadalian napsoe heula, tidinja dibaroeng koe tjengeng.

Dina poepoeh Gamboeh, pada anoe mimiti, Andjeunna nĕrangkeun hal tjatoer sembah, hartosna „sembah opat panta”, nja eta: sĕmbah raga, sĕmbah tjipta, sĕmbah djiwa, sĕmbah rasa. Sĕmbah anoe tiloe panta ti handap, kenging dianggap aja dina oedagan, sarta kedah dilampahkeun kalawan tjengeng. Hal sembah panta pangloehoerna, sembah rasa koe Andjeunna henteu diterangkeun. Koe panginten bae lebah dinja kantoen roemasa „Noenggal djeung Goesti”.

Djisim koering hajang njarioskeun hal sembah noe katiloe saeutik, nja eta sembah-djiwa, anoe dianggap tempat ngarandegna oedagan; hartosna dimana parantos andjog ka dinja, oedagan teh toeloej ngarandeg. Sampoerna sareng poengkasanana eta sembah tjitjing dina: tan kendat mandeng sarta eling ka „Noe Langgeng”.

Nanging dipepelingan: poma² masing waspada, reh di dinja enggon pangarep [ 51 ]September-1924.max [ 52 ]Demi Mangkoenagaran adat tatana rada benten, nanging rada hese dingarananana. Tjek sawareh magahkeun democratisch. margi nja Mangkoenagaron anoe mimiti mitjeun tatakramana anoe katimbang parantos boeroek, mitjeunna eta tata langkoeng ti heula ti di kagoepermenan. Nanging perkawis kitoe teh tatjan djadi tjitjiren democratie, eta mah ngomean tatakarama bae, sangkan oelah loba teuing raehanana.

Bordjanya Tjek sawareh deui magahkeun pohara njepengna kabangsaan (bij uitstek nationalisme), nanging eta oge teu djadi tjitjiren Mangkoenagaran ajeuna, margi ari njepeng kabangsaan mah, karaton anoe sanes oge teu kirang pohara. Komo oepami diemoetkeun koe oerang, kabeh-dieunakeun ketjap „babangsaan” teh gadoeh hartos anoe rada teu pati sae, dongkap ka loba anoe emboengeun disebat kitoe.

Ari noe tetela katingal koe djisim koering, Kangdjeng Pangeran teh sapari polahna istoening Djawa, nanging njepeng hidji oedagan, nja eta: saniskara anoe hiroep dina hate bangsa Djawa, koe Andjeunna dioesahakeun soepaja woewoeh moelja, sareng ditoedoehan djalanna, soepados tiasa soeroep kana kamadjoean saalam doenja, tapi oelah leungit kadjawaanana.

Dina perkawia ieu Kangdjeng Pangeran teges kaom-moeda, naratas djalan kana kamadjengan, nanging teu katalian koe oegeran salah sawios parte. Anoe ditjandak koe Andjeunna ngan robahan robahan anoe soeroep sareng karepna djaman bae sarta tara pisan ngarobah adat Djawa toelen kalawan paksu-piroesa.

Aja tjontona hidji perkawis anoe geus lami koe Andjeunna didjulaukeun, nja éta Wajang wong. Kadjawaanana wajang dikoekoehan, nanging wajang noe teu njawaan koe Andjeunna digentos koe wajang hiroep; djadi dimaenkeunana tjara toeuil Eropa, koe sabab eta daja pamaenan woewoeh, nanging henteu ninggalkeun kadjawaan.

Atoeran anoe anjur keneh didjalankeunana nja eta hal ngaleungitkeun „djongkok” (nagog) sareng hal lalaki diparotong boeoek. Perkawis ieu oge henteu nganggo ngirangan kadjawaan, tapi lawang kana djaman kamadjoean koe Andjeunna diboekakeun.

Djadi Kangdjeng Pangeran teh hidji Radja noe naratas djalan anjar, palatoek noe noedoehkeun kamadjoean, sarta teu kedah inggis kadjawaan kasieuhkeun, kasilih koe adat pamake deungeun noe teu soeroep sareng kadjawaan.

Kadjawaan anoe toelen sabeunang-beunang koe Andjeunna dipageuhan. Nanging dina hal ieu ogé henteu tinggal pamilih, henteu sagala bae sakedah polah dikoeloehan, sapertos dina bab karadjinan Priboemi: hal neupa ngadamel pamor, atanapi ngabatik; eta doea roepi karadjinan pikeun economie parantos teu gadoeheun geusan hiroep atanapi beuki lami beuki kasered kasilihkeun; tah! bangsa kitoe henteu dikoekoehan toekoeh Tjiboeroej.

Anoe koe Andjeunna pohara dikoekoehanana moeng sakoer anoe dieusi soekma Djawa sapertos: babakoena pisan basa Djawa.

Hidji bangsa anoe bisa ngoekoehan hasana, tangtos koeat njangga sagain tjotjoba.

Koe sadaja kaoeninga, jen menak pentjaran karaton Mangkoenagara loba anoe ahli basa.

Boedjangga Mangkoenagaran anoe pangageng-agengna, nja eta K. G. Mangkoenagara IV.

Anoa baris njarioskeun ieu Boedjangga parantos aja pidjelemaeunana, sarta parantos djangdji bade ngintoenkeun karangan ka poestaka mangsa Djowo. Nanging sanadjan parantos aja oge pidjelemaeunana anoe langkoeng pibisaeun manan djisim koering, hate panasaran bae oepami teu miloe njaritakeut hal karangan eta Boedjangga

Serat serat seueurna kirang langkoeng aja 13, eusina roepi serat didangding keur ka Patih sareng ka para prijaji Mangkoenagaran, njarioskeun petana ngolah nagara sareng sapapadana Sawareh [ 53 ]anggoeun kana sagala roepi padamelan, sawareh deui toedjoel pikeun ingoeroes hidji perkawis baè. Dongkap ka ajeuna loba keneh bae noe raresep matja eta serat. Boekoe Salokantoro, njarioskeun watek sareng pamake djelema. Eta boekoe dipika resep pisan koe oerang Djawa, lantaran basana sae sareng teu aja raehanana, sanadjan ari eusina mah elmos kenging njoetat oge.

Boekoe karangan Andjeunna anoe langkoeng dipikaresep, nja eta „Tripama Piwoelang kangge toetoeladanipoen para pradjoerit”. hartosna: Tiloe toeladan pikeun perdjoerit.

Anggitan K. G. Mangkoenagara IV anoe sanes pamoedji atanapi piwoelang, moeng aja hidji, nja eta Pandji Woeloeng. Pangna Andjeunna ngadamel eta boekoe, doemali aja panoehoenna toean Winter. Ari eusina tjarita ditembangkeun, pikeun batjaeun moerid² kalas loehoer di sakola Djawa, dianggo ngamimitian ngadjar tembang dina samemehna diadjar tembang anoe saleresna.

Sanes perkawis laloehoer bae, perkawis leutik anoe sadidinten oge seueur anoe di karang tembang koe Andjeunna. Sapertos boekoe Roempakan bangsal tosan, eusina njarioskeun imah kareta anoe didamel koe beusi hateup seng. diadegkeunana tjaket pendopo Mangkoenagaran.

Dina eta dangding ditjarioskeun, jen rarangkangna boeatan Duitschland. Ladjeng njarioskeun hateupna, nganggo papaes koe kai, sareng sanes-sanegna deui. Dina djaman harita hateup seng langka kènèh pisan.

Boekoe Wédatama; loba anoe ngira jèn eta boeknoe karangan K. G. Mangkoenagara IV sadajana, padahal enja-enjana mah karangan opatan, nja eta; Kangdjeng Soesoehoenan Pakoeboewono IX, K. G. Mangkoenagara IV, Ronggowasito, sareng Wirjokoesoemo; eta margina noe mawi basana sareng oengkarana henteu saembut, sarta benten sareng karangan Kangdjeng Pangeran anoe sanes.

Ko Kangdjeng Pangeran toeroenan ka Mataraman teh istoe dianggo kamegahan. Dina boekoe Jogatama Andjeunna maparin pepeling ka sadaja menak Mataram kedah karagoengan lampah oetama goeroep ka ratoe noe loehoeng sareng merenah di toeroenan Mataram.

Kangdjeng Pangeran katjida oesahana, soepaja loba anoe daek ngaroelik dangding atanapi dialadjar kana ngarang tjarita diladioer. Andjeunna djadi presiden tina rengrengan kasoesastran; anoe djadili elid-elidna: Ronggo Wasito, Wirjakoesoema sareng Djajasarasa. Kapinteran Ronggowasito kana ngarang poendjoel ti Wirjakoesoema sareng Djajasarasa; koe Kangdjeng Pangeran manehna digadjih, datang ka bisa djongdjon gawena ngoelik kasoesastran woengkoel.


Salian ti eta Kangdjeng Pangeran Mangkoenagara IV ngadegkeun sakola keur poetra² para prijjaji; ari goeroena njandak oeroet moerid ti sakola Gopernemen nos tamat sakolana. Moerid² eta sakola koe Kangdieng Pangerau dipangdamelkeun tembang panembromo (pikeun ngabageakeun noe soemping). Eusina eta panembromo, babakoena njarioskeun hidji roepi kadjadian. Dina ngadangding bab kitoe pohara Andjeuna iasana.

Salian ti panembromo anoe kaseboet bieu, Kangdjeng Pangeran ngadamel hidji Panembrono ande ditembangkeun koe moerid sakola anoe tadi tea, waktoe Kangdjeng Thean Besar soemping ka pasanggrahan Karangpandan. Eta Panembromo diatoer sapertos „Wien Nederlandsche bloed”. „Wilhelmus” sareng salian ti eta.

Karangan Andjeunna anoe nambahan kamashoeran kaboedjangganana, nja eta „Rerepen”, eusina moedji kageulisan istri sareng njerioskeun Andjeunna keur anom.

Leres oge K. G. Mangkoenagara IV ajeuna parantos poepoes, nanging djene nganana masih djoemeneng bae, tjoeman tel dina ati anoe sami mitjinta kana basa Djawa sareng dina ali sadaja oerang Djawa.

Kangdjeng Pangeran Mangkoenagara anoe ajeuna, istoe toehoe toemoetoer pisan kana adat talari Mangkoenagaran anoe bieu [ 54 ]ditataan di loehoer. Ti samemehna djoemeneng ratoe oge geus katingal, jen Andjeunna hojong naratas djalun kamadjoean pikeun oerang Djawa. Anoe koe djisim koering arek didamel saksi ngan saperkara, nja eta Andjeunna milue ngabantoe-bantoe sawatara lilana ka Boedi Oetomo.

Barang Andjeunna djoemeneng radja, mimiti ngarobah administratie Karadjaan, diatoer noeroetkeun atoeran anjar, sapertos: dina hal oeroesan tanah anoe ditiwoean sareng sapapadana, eta sadajana kedah noeroetkeun atoeran anjar, sarta sabeunang-beunang koedoe didjalankeun koe prijaji Mangkoenagaran.

Dina bab ngamadjengkeun boedi sareng pikiran Andjeunna ngadegkeun Java Instituut, anoe beres katjida ngoeroeskeunana kadjawan dina roepi² perkawis, sapertos dina hal: kasoesastran, bangoen imah, kabinangkitan, papakean dj.s.t., ditjarioskeun kaperloeanana sareng dioesahakeun sangkan madjoe.

Leres oge ari tiasana ngadegna mah doemeh rea anoe ngarodjong-rodjong, nanging anoe kagoengan jasa mah nja K. G. P. P. Prangwedono, djalanna eta pakoempoelan noeroetkeun manah Andjeunna, sarta salilana teu lesot ditingalikeun bae.

Noe mawi Bale Poestaka nepi ka tiasa ngaloearkeun boekoe Het Javaansche tooneel anoe sakitoe saena, karangan toean J. Kats tea, taja lian moeng djalaran pitoeloeng Kangdjeng pangeran; margi gambar wajang anoe ditiarioskeun dina eta boekoe, kenging disebatkeun meh sadajana dikempalkeunana sareng dipidamelan noemoetkeun piwedjang Andjeunna.

Kitoe deui loba boekoe2 Bale Poestaka anoe sanes anoe diwoewoehan katerangan2 ti Andjeunna; malah aja boekoe anoe karangan Kangdjeng Pangeran koe andjeun, nja èta Serie No. 168 Kekesahan saking tanah Djawi dateng negari Welandi.

Oengkara sareng randjinganana eta boekoe oepami ditingali koe kasoesastran taja petana handjakal lantaran Kangdjeng Pangeran geus moal kaboedjeng ngabeberes karangan, kapoeoek koe damel oeroesan Nagara. Ngan moegi2 bae ka pajoen, engke dimana parantos seueur prijaji aranom anoe tjoekoep pangadjaranana pikeun ngadjalankeun padamelan nagara, datang ka andjeunna rada senggang tina demel, moegi moegi wahjoe kasoesastran anoe toemoeran ka toeroenan Mangkoenagaran, eta wahjoe ngagoegahkeun deui manah Kangdjeng Pangeran kana kasoesastran, saria Andjeunna kersa maparin karangan2 ka bale poestaka, nja eta karangan2 anoe nandingan kana anggitan loeloehoer Kangdjeng Pangeran.

Djenengan Prangwadono sareng Mangkoenagoro

kenging

R. A. Dr. Hoesein Djajadiningrat

Dina ieu panglajang Java-Instituut anoe dianggo geusan ngahormat ka Eere-Voorzitterna, anoe djinoengdjoeng kaloenggoehan tina Pangèran Adipati Ario Praboe Prangwedono kana Pangèran Adipati Ario Praboe Mangkoenagara, kawas merenah naker ninggang tempatna, oepami babadna èta doen djoedjoeloek katoet kagelaranana dipedar tjoektjroekanana, soepaja kaaroeninga djoedoelna páne gentos djenengan kaloenggoehan téa.

Eta doea djoedjneloek tèh toeroenan ti anoe awit ngababakan karadjaan Mangkoenagara kènèh.

Kangdjeng Goesti Mangkoenagoro anoe ka I tèh poetra Pangèran Adipati Ario Mangkoenegoro; ari ieu poetra tjikal Kangdjeng Soenan Mangkoerat ka IV, anoe dina babad Djawa mah biasa diseboet Soenan Praboe Mangkoerat Djawi, ngastana karadjaan ti taoen 1719 d.k. 1725.

K. G. Mungkoenagara ka I djenenganana keur moerangkalih Radèn Mas Said, sok dipondokkeun Mas Said; nja djenengan pangnènèh tèa ari anoe kawentar ka bangsa Eropa anoe sadjaman sareng andjeunna harita mah, malah koe toekang sadjarah perang Eropa ogè nja djenenganana èta anoe biasa diaranggo tèh.

Barang Mas Said parantos aja joeswa, dipaparin djenengan panglandi, Radèn [ 55 ]September-1924.max [ 56 ]September-1924.max [ 57 ]September-1924.max [ 58 ]Mas Soerjakoesoemo, koe Kangdjeng Soenan Pokoeboewono ka II (anoe ngasta karadjaan ti taoen 1726 d.k. 1749, ngagentos ramana anoe djenengan Soenan Mangkoerat ka IV tèa).

Nalika di Djawa Tengah aja hoeroe-hara dina tengah-tengah windoe ka 18. Radèn Mas Soeriokoesoemo lolos ngantoenkeun Kartasoera, ngahidji sareng Soenan Koening, anoe harita noedjoe merangan Soenan Pakoeboewono ka II, dina mangsa anoe biasa diseboet alam perang Tiina-Djawa tèa (1740 — 1743).

Teu lami Soenan Koening iasana ngalindih Kartasoera, nja kadjabel deui koe Kangdjeng Soenan, sarta Soenan Koening sabaladna moendoer ka Randoelawang di wewengkon Mataram.

Radèn Mas Soeriokoesoemo koe Soenan Koening didjoengdjoeng didamel sènapati (leger aanvoerder) sarta djenenganana digentos Pangèran Prangwadono, hartosna kapala perang (krijgsoverste).

Nanging Pangeran Prangwadono henteu lami ngahidjina sareng Soenan Koening, ladjeng misah, nja èta nalika Soenan Koening madjeng ka latar Wetan; ari Pangèran Prangwadono mah sabaladna ngaboedjeng ka Sokawati, sarta di dieu andjeunna koe sadaja anoe biloek ka salirana didjoengdjoeng di damel Radja, anoe djoedjoeloekna: Pangèran Adipati Anom Amengkoenagoro Sènopati ing ngalogo Soedibjaningprang, ngaraton di Modjoroto. Henteu lami kapaksa kedah ngantoenkeun deui Modjoroto, lantaran diroeroeg koe Pangèran Mangkoeboemi kalawan dawoehan Kangdjeng Sinoehoen. Nja Pangèran Prangwadono moendoer ka Segawè (Matesih). Sanadjan andjeunna dibibita sareng diwoedjoek koe K. Sinoehoen, tapi teu gedag kaanginan tetep baris teroes ngalawan. Djelema djelema anoe biloek ka andjeunna tambih tambih baè, nja kitoe deui pangawasana tambah djembar, nepi ka nalika keur kaleresan masanggrahan di Panambangan (Ngloroh) djorodjoj kagoengan èmoetan hojong oendak gelaran woewoeh kaagoengan, nja ladjeng nganggo djoedjoeloek Soeltan Adiprakoso Sènopati njajoedo Lelono Djojomiseso Prawiro Adiningrat.

Tapi nganggona djoedjoeloek kitoe tèh henteu lami, ladjeng digentos deui koe djenengan Pangèran Adipati Mangkoenagoro. Ari ieu djenengan tèh nampi ti Pangèran Adipati Mangkoeboemi tea, sadèrèk Kangdjeng Soenan Pakoeboewono ka II nalika arandjeunna sasarengan dina peperangan Djawa anoe ka tiloe (1746 — 1755) sarta harita kantos didamel djadi pepatihna Doepi pangeran Adipati Mangkoe boemi, nja èta anoe engkèna djoemeneng Soeltan di Djogdja, djoedjoeloek Soeltan Hamangloeboewono ka I. Dina waktos andjeunna masrahkeun salira ka Sinoehoen ping 17 Maart 1757, tetep ngagem djenengan sareng gelaran ramana.

Tah kitoe oengelna noemoetkeun babad Djawa, toetoeran Mangkoenagara. (1) Noemoetkeun seseratan anoe ditjepeng koe Pamaréntah Agoeng, anoe titi-mangsana 5 Juni 1753 (kaoengel dina boekoe karangan toean Louw, Peperangan Djawa ka tiloe kalina, katja 76), kaoeninga jèn nalika Soenan Koening aja di Bandoelawang, parantos maparin djenengan Sareng gelaran ka R. M. Said, sanès Pangèran Prangwadono, nanging sapertos djenengan ramana, nja èta Pangèran Ario Mangkoenagoro.

Doepi ieu soelajana katrangan perkawis djenengan anoe pipaparinkeun ka andjeunna, moal boa lantaran R. M. Said tèh ngagemna djenengan Prangwadono henteu lami, nepi ka bangsa Eropa mah dina nalika harita teu pati atanapi sama sekali teu aroeningaeun, ari katoeroeg-toeroeg dina mangsana èta katrangan didamel, R. M. Said tèh djenenganana parantos kakontjara Mangkoenagoro.


¹) Babad Panambangan, kaloearan Balè-Poes No. 393 taoen 1918, katja 24, 52, 59, 67, 81, 122, sareng 171. Dirja diterangkeun jèn djenengan Said tèh sanès asal tina basa Arab: Sa'id, anoe hartosna salamet, anoe ajeuna masih keneh dipakè ngaran, tapi ieu mah asalna tina ketjap Arab; Sjahid, hartosna: saksi; margi nalika dibabarkeunana kasaksi koe K. Soenam, anoe maparin èta djenengan. Ramana nalika diwartosen jèn poetra rèk medal kaleresan keur ngadeubeusan di karaton, Saparantos wiloedjeng poetrana dibabarkoun, ènggal ngadeuhens deui ka karaton, oendjoek oeninga ka Sinoehoen jèn kagoengan poetra pameget. [ 59 ]September-1924.max [ 60 ]doetna anoe sanget-sanget, sakoemaha anoe ditjarioskeun dina Babad Panambangan, soepados andjeunna tetep ngagem djenengan sareng gelaranana anoe parantos dianggo nja éta Pangèran Adipati Ario Mangkoenagoro. (11)

Ari Mangkoenagoro anoe ka 1 digentos koe poetoena anoe djenengan Prang Wadono. Ieu teh poetrana Pangeran Ario Praboe Widjojo atanapi Amidjojo, nja poetra Mangkoenagoro ka I tèa, anoe geus poepoes saheulaeun ramana, ti garwana anoe djenengan Ratoe Alit poetra Soenan Pakoeboewono ku III (1749 — 1788) (¹²).

Awitna koe Mangkoenagoro I èta poetoena tèh dipaparin djenengan keurna moerangkalih R. M. Slamet dilandih Soerjo Mangkoohoemi. Nanging henten karempagan koe K. Soeltan Hamangkoeboewono ka I ti Djogdja, anoe tadina djenenganana Mangkoeboemi deui. Nja digentos deui koe Pakoeboewono ka III djadi koe èjang ti iboe koe diennengan Soerjo Prangwadono (dina taoen 1788), tetela sapertos djenengan anoe parantos dianggo koe Mangkoenagoro ka I (¹¹).

Samèmèhna Prangwadono ditangtoskeun kana bakal ngagentos Mangkoenagoro I, andjeunna kedah ngabarempagkeun sareng kedah kènging kapoetoesan heula tina roepi-roepi perkawis, anoe harita teu atjan aja katangtosanana. Nja èta nalika Mangkoenagara ka I masrahkeun salira taoen 1757 tea, teu atjan aja ka pastian, tanah tanah anoe parantos ditjepeng koe andjeunna, nja kitoe deui gelaranana Pangèran Adipati tèa, naha kènging toeroen toemoeroen ka poetra-poetoena atanapi henteu.

Eta perkawis nembè dina taoen 1792 koe Kangdjeng Sinoohoen sareng koe Mangkoenagaran tiasa dipoetoes kalawan kaberesan, nja èta tanah mah tetep djadi milik toeroen-toemoeroen ka poetra-poetoe Mangkoenagaran, nanging ari gelaranana Prangwadono, moeng kenging Pangeran baé sanès Pangeran Adipati. Djadi nalika Prangwadono didjoengdjoeng loenggoeh djadi Radja Mangkoenagaran dina ping 25 Januari tanen 1796, ngagentos èjangna tèa anoe poepoes ding ping 28 December 1795, djoedjoeloekna Pangèran Ario Pra- boe Prangwadana.

Nembè dina Resol dd. 30 October 1821 No. 17, ditangtoskeun jen Pangeran Ario Praboe Prangwadono kenging djenengan sareng gelaran Pangeran Adipati Mangkoenagara.

Dina timbangan harita henteu matak djadi wagelan, Mangkoenagara kenging gelaran Pangèran Adipati, margi poetra-poetra Radja sabèh-ditoeeun andjeunna ogè parantos ngaranggo gelaran èta, sarengna deui benten ti Pangeran Adipati Anom, anoe djadi gelaran pikeun ka poetra Soenan atawa Soeltan anoe parantos digadang baris pinèmaeun kaprabon.

Harita ditangtoskeun deui jèn èta gelaran henteu kènging ditoeroenkeun ka Prangwadono anoe sapengkereunana samèmèh joeswana djedjeg 40 taoen, sarta oepami katimbang saè taladjakna iasa njangga kamoeljanana. Dina serat katangtosan hasa Djawana anoe ti toean Residen, kaoengel jen djenengan sareng gelaran Pangéran Adipati Ario Mangkoenagoro tèh koe Kangdjeng Goepernemen, moal dipaparinkeun ka anoe sanès, kadjabi ti ka toeroenan Pangeran Ario Praboe Prangwadono.

Ieu katetepan anoe djadi poko ti awit tetepna gelaran anoe djadi pangagoeng di


¹¹) De Jonge X katja 315, 316, Rouffaer kahroe katranganana dina Encycl. v. Ned. Indie (le druk djilid ka IV katja 602 sareng 604 (noot 2) njebatkeun M. N. I. diangkat djadi Pangeran Adipati ten nganganggo Ario sareng njebatkeun tara nganggo eta gelaran. Sajaktosna M. N. I. tah noemoetkeun saksi anoe sanes nganggo Ario, ngan dina mangsana sareng dioeroeskeun gelaranana, ngan disebat Pangeran Adipati. Ari sababna pang kitoe lantaran galaran èta ogè geus tjoekoep. Dalah dina Babad Djawa, nja eta Babad Panambangan wedalan Mangkoenaran, ngarah pondok nja M. N. I. teh disebatna teu nganggo Ario. Tapi aja deui katrangan anoe nangtoskeun jen sanes organ Ario. bae, nanging nanggo gelaran sagemblengna Pangeran Adipati Ario. Tingali bae translaat-brief Mangkoenagara keur ka v. Imhoff taoen 1746. B. K. I. I Katja 404. Dina karangan Louw 78, taoon 1753. Dina de Jonge X 386 taoen 1762; ibid X.I 296, taoen 1772; ibid XII 10 taoen 1781, sareng tingali deui de Jonge XI 32 sareng 406 taoen 1765 sareng 1780; ibid XII 87, taoen 1787.

¹²) Babad Panambangan katja 212 njebatna: Widjojo; ari de Jonge XI katja 34 (Praboe Amidjojo). M. L. v. Deventer, Hat Ned. gezag over Java I katja 335: Adwidjojo Dina serat Rosident Solo, anne kaoengal engke dilandap taoen 2821: Praboa Amidjojo.

¹³) De Jonge XII katja 152-158. Djenengan Soerjokoesoemo rè oerang Eropa harita anoe terangeun. [ 61 ]Mangkoenagaran, nja èta Pangèran Ario Praboe Prangwadono, (teu nganggo Adipati) ngawitan djenengan sareng gelaran anoe moenggaran djadi kapala Pamarentah, anoe engkèna djoemeneng Mangkoenagara II, sarta anoe djoedjoeloekna bakal toeroen ka anoe sapengkereunana.

Pikeun ka anoe djoemeneng Radja mah aja, panambah kana èta djenengan sareng gelaran tèh nja èta Adipati, djadi djoedjoeloekna Pangeran Adipati Ario Praboe Prangwadono. Sareng oepami joeswana parantos 40 taoen nembè djinoendjoeng djadi Pangeran Adipati Ario Mangkoenagoro.

Koe margi èta Mangkoenagoro anoe ka III dina taoen 1830, dipaparin gelaran Pangeran Ario Praboe Prangwadono, rèh parantos digadang-gadang kana pidjadieun Radja, nalika Mangkoenagoro ka II djoemeneng keneh. Dina taoen 1835 nembè djinoengdjeng Radja ngagentos Mangkoenagara ka II, djoedjoeloekna ajeuna mah Pangèran Adipati Ario Praboe Prang wadono, sarta dina taoen 1842 saparantos joeswana 40 tahoen (ngètangna taoen Arab, margi ari dibabarkeunana mah taoen Masehi 1803), ladjeng djinoengdjoeng djadi Pangeran Adipati Ario Mangkoenagoro.

Nalika Mangkoenagoro anoe ka VI dina taoen 1896 didjoengdjoeng loenggoeh djadi Radja, ngagentos sadèrèkna Mangkoenagoro ka V, heteu kènging gelaran Pangèran Ario Praboe Prangwadono heula, margi joeswana parantos langkoeng ti 40 taoen.

Ajeuna perloe ogè ditjarioskeun naon margina anoe mawi Radja Mangkoenagaran nembè kènging nganggo djenengan Mangkoenagoro, oepami joeswa parantos 40 taoen.

Eta atoeran kitoe tèh noelad adat Islam, nja èta lantaran Kangdjeng Nabi ogè nembè dina joeswa 40 taoen kaloengsoeranana wahjoe Pangèran. Tapi naon anoe djadi margi pang aja dina katetepan joeswa sakitoe, èta koe djisim koering henteu atjan katjoektjroek.

Dina seratna toean Resident Soerakarta ping 30 Oktober 1821 No. 17, anoe dianggo njarengan pioendjoek poetoesan èta perkawis, kaoengel deui sabagian salinan tina anoe djadi katetepan téa, ngan henteu diterangkeun.

Ieu di handap kawas tiasa ogé dianggo katrangan.

Dina tahoen 1792, nalika ngatoer pigentoseun Mangkoenagara I, sakoemaha anoe parantos kaoeninga, harita aja pambengan pikeun noeroenkeun gelaran Pangeran Adipati ka noe ngagentos; nanging ari djenengan mah, oepami hojong nganggo djenengan sanes ti Prangwadono, teu aja pambenganana; djadi oepami bade nganggo djenengan Mangkoenagara oge teu aja sawijos. Menawi pangna teu aja pambengan nganggo djenengan Mangkoenagoro teh, doemeh hese ngoekoehana anoe djadi sabab pikeun ngalarang nganggo eta djenengan, reh parantos dianggo koe ejangna gareng boejoetna Prangwedono; nanging ari nganggo gelaran Pangeran Adipati mah katimbang kirang sae. Ari margina djenengan Pangèran Adipati Anom Hamengkoenagoro teh, doegi ka ajeuna oge, djenengan anoe pingagentoseun Soesoehoenan. Nalika harita, boh dina soesoeratan boh dina tjatjarios (sasaoeran) tatjan dibentenkeun Hamangkoenagara sareng Mangkoenagara; nalika tatjan matoeh Hamangkoenagara toedjoeh pigentoseun Soesoehoenan, ari Mangkoenagoro noe djadi Radja di Mangkoenagaran.

Eta doea djenengan hartosna sami, nja eta „anoe mangkon nagara”, dianggona dina alam harita sok patjorok keneh, sakapeung keuna ka Pangeran Adipati Anom ran. Nanging ti harita kènèh ogè parantos mimiti katingal bèntenna eta doea djenengan baris tetep.


17) Soemangen landingkeus salong Poetensan Pamarentah Ageng, ping 5 Juni 1953 „........ dipasehan dinoetoes jen mas Said meunang nganggo gelaran (P. A. Mangkoenagara), sarta henteu meunang aja anoe wani gara² njaboot eta golaran.....” dina boekoe Louw, katja 77.

18) Mangkoenagoro henteu nganggo „ka” anoe dianggo keur ka Pangeran Adipati Anom, ajana dina de Jonge IX 27 sareng 45 tahoon 1719—, sa-XI 402 tahoen 1780: anoe nganggo „ha”: dina de Jonge keneh X 320 taho3n 1752— Ari Hamangkoenagoro anoe dianggo keur ka Radja mangkoenagaran, sapertos dina petikan tina „Acte van Ceremonieel” tahoen 1795 dina boekoe Rouffaer katja 406 dina Roorda, Jav, brieven enz, katja 29.61,280 (dima awalna windoe ka. 19). Katembong pisan dina atoeranana njerat, jen ngahadja merloe eta rarangken „ha” tea. [ 62 ]Doepi bentenna moeng saeutik pisan nja eta „Anom” sareng „Ario”. Nanging eta doea gelaran anoe djadi bentenna tea, ari dina sasaoeran mah sok tara kesebat-sebat; nja kitoe deui ladjengna gelaran Pangeran Adipati Anom, nja eta: Soedibjo Rodjopoetronarendro Mataram eta ogé tara disebat, ari dina sasaoeran mah.

Oepami koe oerang diemoetkeun, ramana Mangkoenagoro I teh, nja eta poetra Soesoehoenan Mangkoerat IV, djenenganana Mangkoenagoro ...... gelaran anoe dianggo koe ramana nalika Soesoehoenan Pakoeboewono (1) djoemeneng keneh, (19) diadi èta djenengan sami sareng djenengan Pangeran Adipati Anom; koe margi eta pantes pisan dina tahoen 1792, aja pambengana noeroenkeun gelaran Pangeran Adipati ka Prangwadono, margi Mangkoenagoro I mah kenging soteh eta gelaran, minangka oepah, doemeh andjeunna kersaeun taloek.

Anggapan kana kaloehoeran djenengan Pangeran Adipati Ario Mangkoenagoro panginten nja eta anoe djadi sabab, noe mawi dina tahoen 1821 aja atoeran: eta gelaran kakara baris dipasihkeun ka Radja Mangkoenagara anoe parantos aja joeswa bae.

Nanging dina babad anoe ajeuna aja teu kapendak aja katangtosan hal joeswa. Mangkoenagoro (1) nalika kenging eta gelaran dina joeswa 31 tahoen Islam; Mangkoenagoro II dibabarkeunana dina ping 2 Januari 1768, (20) kengingna gelaran koe voorstel Resident, nalika joeswa 40 tahoen langkoeng. Panginten eta margina, noe mawi gjenna aja katangtosan hal joeswa „panganomna” oge kedah 40 takoen.

Weltevreden, Augustus 1924.


19) Dina de IX. katja 46.

20) Rouffoer