Tjarita Ratoe Pasir Batang Oemboel Tĕngah
T J A R I T A
RATOE PASIR BATANG OEMBOEL TĔNGAH
NOE GARWAÄN KA POETRI
ATJI KEULING WENTANG GADING
———————
Een vertaling van het epos mag overbodig heeten, daar de lezing ervan, mits men de beteekenis der Badoejsche termen kent, met behulp van Coolsma’s Soend. Holl. Wrdb. geen bizondere moeilijkheden oplevert. Ik heb mij daarom bepaald tot het verklaren der niet daarin yoorkomende woorden en wel zooveel mogelijk door synoniemen, die het wel opgeett, voor zoover mij dit thans mogelijk was. Wijziging daarvan in de toekomst is echter niet witgesloten, zoodra Dastjin's woordenschat grooter zal geworden zijn.
Zij, die geen Soendasch verstaan, vinden een voldoend overzicht van hetgeen de tekst behandeld bij J. J. Meijer, de Badoej’s blz. 162-163, Paksi Kĕling.
(Ngangkat rek mantoen).
Balitoeng balik ti leuweung,
bak[4] lajar papoelang-poelang.
Teu hajang barang babaneh,[5]
dĕmi tjangkang djeung eusina,
koedoe saroea lobana,
bisi kawih mamaroean,
noe koneng tjarang kateang,
koe kami ĕnggeus kaitoeng,
kaitoeng daek ka deungeun.
(Mimitina mantoenna).
Peuting-peuting beurang onam,
njĕri pingping kaheumpikan,
koe beubeureuh beunang ngindjeum,
beunang noengtoen ti wawaroeng.
Beunang daja ti pangkalan,
poelangkeuneun djaga isoek,
pageto diïndjeum deui,
djadi nitir oenggal peuting.
Oenggal peuting mo pamali,
oenggal sore mo teu hade,
sakitoe oeroesning pantoen,
gĕlaran[6] matang[7] tjarita.
Sakit noe boga halangan noe bagoes nganggo ti beurang.
Hoeroeng seuneu di Padaroeng,
siangna di Padareang,
dipadjar ngedjo ngasakan,
karana noe ngapoet kasoer.
Didjaloedjoer hoë kasoer,
didjaladjat[8] hoë walat,
ditambal koe doelang sontak.
Sakit noe boga halangan noe boga tjaroge teuloe.
Kaopat alang-alangan,
kabeubeut koe djoeroe kampoeh,
sakit noe boga halangan,
noe bagoes nganggo ti peuting.
Toenda oerang pangĕt[9] dinja agama[10] si bangbalikan.
Laïn eta noe koe kami,
digoeratkeun digoeritkeun,
digĕlar disilokakeun,
dina sapeutingan ieu.
Roetjet-retjet dewaning[11] beurang djeung peuting.
(Pasadoean).[14]
„Ahoeng, mangloenga; ahoeng, manglingeu;[19] ahoeng, mangdegdeg; ahoeng manglindoe!"
„Paksi kangkajang basaning angka."
„Amboe ing sira mangoembang,[24] bapa ing tĕroes mangamboeng,[25] pangdjoengdjoengkeun, panglawoengkeun[26] sora awak ing."
„Ka loehoer ka noe di manggoeng, ka noe wĕnang moetjoek[27] ngiboen, ka atina soekma langlaoeng[28] goerit langit, tjakra[29] mega."
„Wëkas toeang kahinĕban[30] koredjat milĕpas mantĕn."
„Reuas teuing koe impian; ngimpi ngadoe pitjis[31] di langit, totolan di awang-awang, ditoedjah toeang tilĕpan."
„Diwatja hanteu kawatja taja pantja aksarana." [ 296 ]„Toedjahkeun ka laoetna, ka haroesna, ka sagara leuleuj, ka sagara irĕng,[32] ka sagara lolopangan."[33]
„Ragrag ka Sewak larang;[34] datang ka Sewak larang, disileungleuman tiloe poë tiloe peuting."
„Toeloej rĕmpoe koe Sanghjang handaroe,[35] rĕmpag koe Sanghjang hantiga."[36]
„Toeloej mĕgar, djadi manoek; sakoeroepoekna[37] djadi poejoeh, sakerepekna djadi lawet."[38]
Ngapak ngapoengna ka manggoeng,
kasioer-sioer[39] koe riboet,
kaoedag-oedag koe heulang,
meh teuing ngaing deuk beunang.
„Beunang meureun dja[40] koe geugeuanana,[41] koe inggeùanana,[42] koe Sang soela, Sang soeli, Sang sirna kĕmbang, koe Batara Soesoek toenggal,[43] soesoek ratoe rĕmbĕsning koesoema."
„Moela pandjang pasadoeanana, sadoe rek nitipkeun sora awak ing dina sapeutingeun ieu."
Bisina nĕboek sisikoe,
bisina mĕtjak larangan,
njĕboet aran indoeng-indoeng,
njambat aran bapa-bapa,
mitjarek ka noe teu hade,
midamajkeun[44] noe teu aja,
ngala mawa ka dewata,
dewata teu njaho-njaho,
ngan awak ing djeung noe rampes,
djeung ka noe bogoh ngadenge,
dina sapeutingeun ieu.
Moela pandjang pasadoeanana, sadoe deuk ngagoeratkeun-ngagoeritkeun.
Lain ti sesekeler[48] dĕrma[49] reke[50] kandatan[51] ti praboe banjak.[52]
Teu beunang ditjaritakeun,
noe wĕnang sawĕnang-wĕnang,
noe wĕnang ditjaritakeun.
Toeroeh-toeroeh Embok agoeng,
sisikilir[53] Moending wangi,
noe padang[54] ti Boengah larang,[55]
ti mana loba pĕntjarna,
ti dinja loba pĕntjarna,
pĕntjar ka para sanghiang,
prasanghiang opat poeloeh,
noe wĕnang ditjaritakeun,
njitoe laoet ngareka mega,
ngalalatja[56] di boeana,
ngamitkeun poetra sahidji,
ratoe noe toeroeh ngoembara,
titinggal noe ngarahiang,
ditjĕnda-tjĕnda[57] ngoembara,
kalioengan koe doedoekoeh,
kadjangdjanan[58] koe haraka,[59]
doekoeh laïn doekoeh kadoe,
haraka laïn kalapa,
pamoekti laïn kaweni,
menteng areng djeung djatake,[60]
koekoeloe djeung boeah manggoe,
pisitan djeung ambaritjin,[61]
haraka toeroen ka tjai,
leuwi lieur pangoeseupan,
bantar pandjang pangranapan,[62]
kopo tjondong panamplokan,
pangdjoegdjoegan oenggal isoek,
paranene hanteu poehoeng,[63]
koe daleum hanteu ditolih,
dja daleum kĕntjĕng ngoembara,
sok naeun sĕdjaänana,
moelana kĕntjĕng ngoembara,
kalioengan koe noe ajoe,
kadjangdjanan koe noe lĕndjang,
noe geulis sakoerilingna,
noe ajoe barewoe-rewoe,
noe lĕndjang bawidak-widak,
noe geulis bakĕti-kĕti,
noe denok baewon-ewon,[64]
dianggo pangoepah daleum;
soegan kĕrsa ka noe djangkoeng,
ka seuweu bibi toemĕnggoeng,
hoök teuing koe djangkoengna,
raga djangkoeng gĕde gĕloeng,
tapi daleum teu panoedjoe,
noe djangkoeng goreng koeroena;
soegan kĕrĕsa noe geulis,
ka seuweu bibi ngabeui,
hoök teuing koe geulisna,
raga geulis djoering[65] halis,
noe geulis teu atjan koeris;
soegan kĕrĕsa noe lĕndjang,
ka seuweuna bibi dĕmang,
hoök teuing koe lĕndjangna,
raga lĕndjang koerang tingkah,
koe daleum diwada deui,
hanteu soeroep kana manah,
euweuh panoedjoe di angĕn,
daleum keur kĕntjĕng ngoembara;
soegan kĕrsa ka noe denok,
ka seuweuna bibi ĕntol,[66]
hoök teuing koe denokna.
raga denok sorowodol,[67]
koe daleum diwada keneh,
sok laboeh hareupeun semah,
ngadjĕgoer kelena taboer,
sok maoer isikanana,
euweuh panoedjoe di daleum,
ngisinkeun ka pamadjikan,
matak wirang ka noe ngandjang.
Sok naeun sĕdjaänana,
moelana kĕntjĕng ngoembara.
Daleum njiar pieusieun, hajang denoek[71] pangeusi andjoeng, hajang lĕndjang pangeusi randjang, noe koneng keur pangeusi rengkeng[72], noe geulis pangeusi boemi.
Ajeuna toenda tjarita.
Katjaritakeun ratoe noe moeroed ti lĕmboer, menak mintar[73] ti nagara.
Toenda baroeboedan-barebedan[77] sanggĕleng[78] gĕten salira.
Kapoentjoet koe noe rahajoe,
kapĕgat kakelang-kelang,
agama sakadang landjak.[79]
Kabilĕt[80] kapengkong kaboenoehankeun deui agama sakadang djala.
Oelah ditjokot batoe sahoeloe dja aja djoengdjoenganana. [ 301 ]Batoe sapoeloeh kaparoed,
batoe salawe kaparel,[81]
kaparoed kaparoeloekkeun,
kaparel kaparelekeun,
agama sakadang kaoeng.
Oelah ditaroktok beuti kolotna dja aja mata holangna.[82]
Taroek pakoekeun,[83] peunggas poerantengkeun,[84] gĕlaran pangoeloe tandang.
Tĕboek di paloeloenggoehan,
tĕpi dina pangtjalikan,
sempar di pangoembaraän,
njoenggoeh[85] kana kasoer baboet,
njanda kana bantal soetra,
njarande lalangse tjinde,
lalangse saroea wangi.
Sadatangna ka pangoembaraän, sakeudeung andĕg pawarang doea dja hade oekoeranana.
Bogoh koe pawarang noe pangngorana, teu moendoer ti panggoeng lahoen, teu gedeg ti manggoeng pangkon.
Tjarek daleum: „hih, hamo dilesotkeun."
„Moen oendoer sadjeungkal toendjoek,
asa teu panggih satahoen,
moen ingkang[93] sadjeungkal lepas,
asa teu panggih saboelan,
indit sadjeungkal pasagi,
asa teu panggih sapeuting."
„Moen singsireumeun mah gampang ekolna, diparakoan koe sila, digandjĕlan koe siki kontol ambeh babari morongkol."
Omongna noe geulis: „aroeh[94], beuheula baroek ti baroek[95], beuheula bedja ti bedja, paribasa seuweu ratoe Pakoean, poetra oerang Padjadjaran, horeng heman ka pawarang."
„Papanting dina kilaki,
kamarang dina kananga,
mere bating[96] moen lalaki,
mere biang moen lalanang."
„Lamoen sakieu badena."
„Papanting dina kimindi,
kamarang dina saradan,
tongeret dina parengpeng,
mere bating moen pawestri,
mere biang moen parawan,
mere bengkeng[97] moen panganten."
„Amoen sakieu badena".
Tjarek istri, „moen tjek ngaing:
„Ratoe djĕboeg raden djambe,
kiaï pipiding[98] pingping,
moen raden tetedeng[99] angkeng,
kaja manik aning laïn,
kaja ĕmas aning bodas,
salaka salaki ngaing,
loehoer goenoeng pangaoeban,
geusan pamoedjaän koering,
geusan koering nangtoeng bajoe,
gensan koering nedja akma,
ngagoeajkeun[100] kabeungharan."
Tjarek daleum:
„Peso raoet nanggoeng boentoet,
peso bengkok pondok tjongo,
pangrĕgĕl[101] indoeng toeriang,
pangala pare hawara,
etem pibasaeunana."
Tjarek pangreureuëus[102] pantoen:
[ 304 ]lalamakan lelemekan,
sisiwo ditorog banjol,
soeka boengah amatanan,
soeka ageung wajang[105] tineung
sangkilangna soeka soteh,
oelah geder oelah reuas."
„Ajeuna ditjaritakeun,
djĕnĕnganana sangratoe,
basana raoe koekoentjoeng,
basana ngĕrab[106] gogombak,
eukeur basa orok leutik,
samoela di Padjadjaran;
panjĕboet soehoenan indoeng,
panjeumpal soehoenan toa,
panimang soehoenan rama,
didjĕnĕngan saha tama,
Pĕrĕboe Soetra Kamasan,[107]
noe sae raden panganten,
noe pelag di Padjadjaran,
bagoes pabĕngkĕr[108] Pakoean."
Sakitoe kakasih daleum, kontjara ka mana-mana, kawentarkeun ka oenggal nagara.
Ajeuna oerang tjaritakeun deui aranna pawarang ratoe, noe doea pawestri di nagara Pasir batang oemboel tĕngah.
Saha geulis teu kakasih,
saha lĕndjang tanpa wela,[109]
moen pawestri di nagara,
Pasir batang oemboel tĕngah,
noe geulis Limar kantjana,
pawarang noe pangkolotna,
adina Boma djanggala,
Pangeran Galoedra mantri;
katema deui koe saha,
pawarang noe pangngorana,
noe geulis moen saha tama,
noe geulis moen Atji keuling,
Atji keuling wentang gading,
djeung gilir Banoan keuling,
nja girang Banoan tjinta,
manak parajaji[110] boemi,
adina moen Paksi keuling,
Paksi keuling limar gading,
Pangeran Naga kantjana,
sakitoe djĕnĕnganana.
Toenda tjarita eta.
Ajeuna oerang tjaritakeun noe andĕg papatih daleum di nagara Pasir batang oemboel tĕngah.
Sanggeus kitoe, papatih daleum njaoer. Ari njaoer haroes bitan[119] goegoer, ari njabla bĕdasna bitan gĕlap, njaoer ka patih koeda ing lengser: „naeun noe ngadingding dina gigir kabitan soepa bajaka, boeta, lorek koe doehoeng goesti kita noe panggĕdena?[120] Ajeuna geura dengekeun koe tjĕtjĕwir dia."
Si lengser gantjang nembalan: „boeta lorek tatjan karoehan ngadengekeun toeang parentah."
Saoer patih daleum: „mangka hade-hade kĕmit raksa goesti kita, oetoesan bala katiga[121]. Eta djaba koeta pariksa koe dia lamoen peuting toedjoeh kali, lamoen beurang toedjoeh kali."
„Noe loehoer koedoe handapkeun, noe handap koedoe djoengdjoengkeun, iris tambiran, tjarangtjang tĕbokkan koe dia."[122]
Bogoh patih koeda lengser,
disaoer teu bara tanggoeh,
disabla teu balawanan,[123]
toetoer ngoering ti leuleutik,
toeman ngaoela ti boedak,
beuki kolot beuki angot,
angkat patih koeda lengser,
gidjig-gidjig[124] loempat leutik,
ari djaoeh leumpang bae,
ngoesiran bae ka mana,
ngoesiran[125] ka djaba koeta,
sakeudeung goeroedag datang,
ka sanghiang[126] djaba koeta,
diïlikan dipinggiran,
didĕlĕng dipandĕng-pandĕng,
teu tjakrana teu bajana,[127]
reugreug pageuh teu deuk eunjeuh,
Soemadi djaja pĕrangna;[128]
ladjoena koeda ing lengser,
kaloentjieur balik moelih,
ngoesiran deuï ka mana,
ngoesiran ka padalĕman,
sakeudeung goeroedag datang.
Koeda lengser ladjoe oendjoekan ka patih daleum, tjarekna: „si madjar ka ngaing[129] kakarek datang mĕntar ngalangbang djaba koeta, reugreug pageuh Soemadi djaja pĕrangan."
Tjarek patih daleum: „oah, lengser, horeng tjangkĕr-tjangkĕr bĕnĕr, moen patih koeda ing lengser horeng tjangkĕr manan ngaing,"
Omong lengser: „tjangkĕr mah boa, toetoer ngoering ti leuleutik, djadjap ngaoela ti boedak, beuki kolot beuki angot, bangĕt ngesto ngadjatikeunana ka saoer ratoe Pakoean, poetra oerang Padjadjaran." [ 308 ]Saoer patih daleum: „hade, lengser, lamoen sakitoe badena mah. Tapi ajeuna ngaing tapa doeg boelan baraning[130] tahoen. Lain tapa hajang kahot, lain tapa hajang bĕdas, lain tapa hajang wĕdoek, lain hajang kahot noe leuih ti deungeun, hajang katjoendoekan ratoe, hajang kasendangan menak. Ajeuna kasorang tineung, moen koe katoendjoekan ratoe, kasindangan menak ti nagara Pakoean Padjadjaran."
„Ajeuna geura koempoelkeun oerang djaro pahoemaän, kai dĕmang Tjapeu larang, kai raden Serenggeleh tjatihan[131] ti Kole berek."
„Djeung ieu ngaing nitah soteh ka dia hanteu boga bibikeuneun, top eta djamang sangsang tjandak keur pakeëun dia."
Tjaritakeun patih koeda lengser moen geus nampa parentah ti patih daleum djeung dibere djamang sangsang pakeëunana.
Bogoh patih Koeda lengser, gidjig imoet-imoet, seuri-seuri. Rek ditjokot bisi didoedoeh atoheun, ari teu ditjokot bisi didoedoeh teu toeroet padjar moengpang ka parentahna.
Ari bongoh, top ditjokot, ngerab-ngerab djamang sangsang.
Ladjoena indit birit loegaj sila.
Koredjat milĕpas mantĕn.
Angkat ngalonglojong[132] amat.
Ngoesiran bae ka mana?
Ngoesiran ka bale Si-pendek koneng, bale bĕdoeg kaboejoetan.
Kasampak kasondong aja, boengkoel boengoer[133] beunang ngoenoen-ngoenoen toedjoeh tahoen, beunang ngagarang dalapan boelan, tibakeun[134] ka sanghiang[135] bĕnde koneng, kotjap sorana: koewoewoeng-koewoewoeng!
Balikeun ti gĕdena ka leutikna: bĕngkoeng-bĕngkoeng! [ 309 ]Tjek lengser: „poen, mapan ngaing asak tapa ngandang[136] dewa, kaäsoehan koe dewata sanghiang bĕnde koneng mangka tĕroes ka noe njaoeng-njaoeng, mangka parat ka noe imah-imah, ka noe sasaoeng, doea saoeng."
Ladjoe sakatoedoeh mĕtoe sakĕtjap moestiasakeun[137] tĕroes ka noe njaseng-njaseng, parat ka noe imah-imah tangga.
Ari omongna oerang hoema: „ada[140] tjing tama si madjar ka ngaing koeliling-koeliling di sisian aja djogdjog djangottan disadana: djogres, djogres."
Tjek noe saoerang deui: „ih, noe kitoe mah, lain djogdjog djanggotan, eta mah sakadang kores."[141]
Omongna: „euh, ĕnja koetan."
Ladjoe tjek saoerang deui: „si madjar ka ngaing asa noe pidik, ngaing ogeh boga titimoean. Eukeur njoektjroek tjai, mĕgat bodjong, manggih badar koeja sabakoel-bakoeleun."
Tjarek noe saoerang deui: „ih, noe kitoe mati lain badar koeja, tjangkang djengkol pamitjeunan njaing."
„Enja koetan," omongna.
Tjek noe saoerang deui: „si madjar ka ngaing asa noe pidik, manggih peuteuj diboeah areuj." [ 310 ]Omongna noe saoerang deui: „lain peuteuj diboeah areuj, noe kitoe mah tjarioe."
„Ĕnja koetan."
Ari tjarek saoerang deui: „ih, moen tjek ngaing mah, lain kararitoe.[142] Boedak santri kalamari dagang tarasi, dibeuli teu atjan pasti, alamat tjolotok[143] tjoleas,[144] oetjoel[145] kotok, oetjoel beas; moen ratoe oerang deuk raramean di nagara Pasir batang."
„Nja eta noe bĕnĕr, nja eta noe bĕnĕr," tjek sararea.[146]
Doeg dĕr bĕdilna; kotjap geus goejoer gandeng sanagara Pasir batang.
Katjaritakeun noe deuk njamboengan.
Kai dĕmang Tjapeu larang deuk njamboengan koe moending sarakit djeung beas doea timbang.
Bogoh Kai raden Serenggelek, tjatihan ti Kole berek, njamboengan koe moending hidji reudjeung beas satimbang.
Bagoes[147] ka leutikna deui njamboengan koe oentjal sidji, beasna satĕngah timbang.
Ladjoe ka leutikna deui, njamboengan koe kotok sidji djeung beasna saseëngeun.
Ladjoe ka leutikna deui, baris balangsak opat poeloeh, dipenta tangtoengna bae poerah ngala soeloeh daoen.
Katjaritakeun anoe deuk nindak ka nagara Pasir batang.
[ 311 ]ngabangbajang[150] njatang pinang,
loer[151] noe sadjamang boeloedroe,
liar noe sadjamang soetra,
djamang hideung diga[152] reueuk,
pĕdang diga leat njaksrak,
broei pajoengna bral kipasna,
porolok alok-alokna,[153]
oerang djaro pahoemaän,
angkat mapaj djalan gĕde,
djalan gĕde waloestoeren,[154]
galoengan[155] djalan padati,
alam djaman pakorontjong,[156]
alam djaman pakoerĕntjang,[157]
djaman koeda ngegel beusi,
ka kiwari ngegel keneh,
kitoe geh eukeur dipake,
tjoel dilaroeng bat diliwat,
ngoesiran baë ka mana,
ngoesiran ka padoekoehan,
geus moengkoer-moengkar di dinja,
ngoesiran baë ka mana,
ngoesiran ka pasawahan,
tjoendoek di sawah marioek,[158]
soemping di sawah toenggiling,[159]
goeroedag di sawah tadah,[160]
sawah tadah tande hoedjan,
ngaran tipar-tipar tea,
tjoel dilaroeng bat diliwat,
ngoesiran deui ka mana,
mipir kikis djaro djati,
mapaj kandang walang[161] sanga,
tjoendoek di lawang pĕlĕngkoeng,
soemping ka lawang toenggiling,
goeroedag kairing-iring,
katjapiring djeung tjalingtjing,
pala malapit[162] di djalan,
paranti noe ajoe nangtoeng,
paranti noe lĕndjang nedja,
paranti noe geulis niïs,
paranti ngahaseum[163] tanggaj,
loeloeroeng teuloe dibandoeng,
lalaren[164] doea dikipas,[165]
disaba ditĕngah-tĕngah,
bisi djalan mamaroean,
noe notog ka padalĕman,
oelah ditjatoer di djalan,
djaseh hämo boeroeng tjoendoek,
anggang hamo liwat datang,
goeroedag ka padalĕman.
Bogoh kai dĕmang Tjapeu larang, oerang djaro pahoemaän.
Boet njaoer, bentes sablana ka papatih Koeda lengser, tjarekna: „beu, patih Koeda lengser, ieu ngahatoerkeun babawaän si madjar ka ngaing oerang pahoemaän, lain koe paribasa ngalalaeh ngawawande,[166] ngan sakieu kasoegihan si madjar ka ngaing." [ 313 ]Tjarek patih Koeda lengser: „oelah rea kasaoeran, lain kitoe noe dipandang, dikoempoelkeun soteh koe si madjar ka ngaing, panggoestian, tapa doeg boelan baraning tahoen, lain hajang bĕdas, lain hajang kahot liwat ti deungeun, hajang katjoendoekan ratoe, hajang kasindangan menak. Kiwari kasorang tineung, hajang njieun rame-rame di nagara Pasir batang."
Bogoh patih Koeda lengser,
ngoesiran baë ka mana,
ngoesiran ka padalĕman,
kasampak kasondong aja,
noe bagoes dahoean daleum,
tjalik mando amatanan.
Bogoh patih Koeda lengser,
oenggoek matoer oelang njĕmbah,
parapas oelang sĕmbahna,
gĕlĕndĕng[167] dipadanaän.
Tjarekna: „pangoeloe tandang, ieu njerenkeun babawaänana, oerang pahoemaän, ari tjarekna: lain ngalalaeh ngawawande ngan sakieu kasoegihanana."
Saoer ratoe: „ih, ngaing mah, lengser, hanteu mandang kana babawaänana, asal[168] pada koempoel bae."
„Ari ajeuna koe dia parailkeun, lalakina poerah ngala soeloeh ngala daoen, noe sawareh koedoe njieun balandongan opat poeloeh; dĕmi bikangna poerah noetoe, poerah olah. Moen geus rengse, bebedja deui ka ngaing."
„Sok," tjek patih Koeda lengser.
Ngan panteg njaoer sakitoe. Kaloentjieur, kalieus[169] malikeun peunteu.
Ngoesiran bae ka mana?
Ngoesiran ka gagaman oerang pahoemaän. [ 314 ]Boet njaoer, bentes sablana ka loear ka ki dmang Tjapeu langrang, tjarekna: „ajeuna gagaman widak sangrama, hiangan para gělangan, oerang pahoemaän geura parailkeun. Děmi lalakina poerah ngala soeloeh, ngala daoen djeung koedoe njieun balandongan opat poeloeh, ari bikangna poerah noetoe, poerah olah."
Teu kěběl deui, prak bae diparailkeun; kotjapkeun geus rengse bae.
Bogoh koe patih Koeda lengser.
Ngoesiran deui ka mana?
Ngoesiran ka padalëman.
Patih daleum kasampak kasondong aja, tjalik mando amatanan.
Patih Koeda lengser oenggoek matoer, oelang njěmbah.
Parapat oelang sěmbahna, tjarekna: „pangoeloe tandang, ngahatoerkeun moen beubeunangan marentah ka oerang pahoemaän, gagamanna děmang Tjapeu larang. Ajeuna saparentahan geus rengse, balandongan opat poeloeh geus ngabandoeng, soeloeh, daoen geus sadia, taja kakoeranganana."
Saoer patih daleum: „hade, lamoen geus sadia."
„Ajeuna ngaing ka dia marentah deui balandongan opat poeloeh koedoe eusian gambělan katoet panajaganana djeung warna-warna tatabeuhan kajaning: soeling, karinding,[170] katjapi, tjaloeng djeung angkloeng katoet noe pinabeuheunana; oelah aja kakoerangan."
„Kitoe deui para bikang koedoe pada nganggěm[171] haloe sadia keur nabeuh lisoeng; sakitoe parentah ngaing."
„Sok" tjarek patih Koeda lengser.
Bogoh patih Koeda lengser,
lamoen geus meunang parentah,
parentah ti panggoestian,
gidjig-gidjig kĕntar-kĕntir,[172]
kĕntar-kĕntir balagĕndir,[173]
deuk ngadjadikeun parentah,
loempat leutik gagasikan,
ari djaoeh leumpang baë.
Bogoh patih Koeda lengser,
goeroedag ka balandongan,
marailkeun panajagan,
toekang bĕdoeg njandak bĕdoeg,
toekang bĕdil njandak bĕdil,
sakabeh geus pada rengse,
pada njangking[174] sabawana.
Bogoh patih Koeda lengser,
kaloentjieur balik moelih,
ngoesiran baë ka mana,
ngoesiran ka padalĕman,
sakeudeung goeroedag datang,
oenggoek matoer oelang njĕmbah,
parapat oelang sĕmbahna,
gĕlĕndĕng dipadanaän.[175]
Tjarekna patih Koeda lengser: „pangoeloe tandang, geus anggeus diparailkeun, tjek madjar ka ngaing sadajana, salobana, sakabeh, sarereana rengse kabeh, hanteu aja noe kaliwat. Tapi ngaing deuk nanja, anoe deuk dipake rame, lamoen tahoen, tahoen mana, lamoen boelan-boelan mana, si madjar ka ngaing kahimĕngan keneh."
Saoerna papatih daleum: „hanteu leunggeuh tjaoe peujeum, hajang leunggeuh tjaoe beuleum, kawasa didadak dihakan atah, rĕboet isoek, sĕndal beurang talangkang saboeka siang, halangan kaboeritnakeun, hajang poe ieu sakalian." [ 316 ]„Sok", tjek patih Koeda lengser.
Bogoh patih Koeda lengser,
gidjig-gidjig loempat leutik,
moen geus djaoeh leumpang baë,
ngoesiran bae ka mana,
ngoesiran ka balandongan,
sakeudeung goeroedag datang.
Prak baë natakeun anoe tataloe.
Geus sadia, ladjoe loempat ki lengser ka aloen-aloen njeungeut sandjatana bĕdil.
Gĕlĕdĕg, gĕlĕdĕg! dĕr tatabeuhan moeni.
Kotjap ear di nagara Pasir batang oemboel tĕngah,
Na boemi antjik-antjikan,
nagara gojang-gojangan,
koe sorana noe tataloe,
angkloeng dibaroeng koe lisoeng,
lisoeng dibaroeng djeung bĕdoeg,
katjapi reudjeung karinding,
ngĕnang-ngĕning[176] goöng koening[177],
asmara[178] djeung singa djaja,[179]
titipoeng djeung goöng Lampoeng,
goöng pelog sosorogan,
goöng soembang pangrampogan,
paranti ngalahkeun moesoeh,
Iaën kalah koe gĕdena,
Iaën kalah koe hadena,
kalah koe soembangna baë,
Meuntjit kĕbo meuntjit sapi,
saisoek meuntjit sapoeloeh,
Iaën sapoeloeh kĕbona,
Iaën sapoeloeh sapina,
sapoeloeh kandang lobana,
dihakan bari narangtoeng,
beak ka soekoe-soekoena,
moen sore meuntjit salawe,
dihakan bari lalemek,
beak ka tjeker-tjekerna,
seëp ka hate-hatena,
rea noe teu kabagean.
Toenda anoe keur pesta soeka-soeka.
Katjaritakeun dahoean daleum, noe ngaran Boma djanggala, Pangeran Galoedra mantri.
Soeka boengah amatanan,
soeka ageung wajang tineung.
nja manah asa di loear,
beak kasoekaänana.
Njarita deui pawarang anoe pangkolotna, anoe ngaran Limar kantjana, moen geus diparentah koe tjarogena, nja eta ratoe anom, anoe soemping ti Pakoean Padjadjaran tea.
Ari omongna ratoe kieu: „oah, mas noe geulis, karana si madjar ka ngaing katalatahan koe soenan iboe ti Pakoean Padjadjaran, lamoen di pangoembaraän oelah soeka-soeka teuing karana soeka elok[180] pisoekĕreun soekĕr elok pisoekaeun, bedjakeun ka pĕrboe soenan dahoean, ajeuna moen tatabeuhan geus meudjeuh eureunan bae."
Tjarek garwana daleum: „oah, goesti badan awak ing, moen tjek madjar ka ngaing koedoe nĕpoengan kaka bakal ngeureunkeun noe tatabeuhan, eta soemangga bae." [ 318 ]Bogoh koe raga noe geulis,
bara[181] sikĕpan dangdanan,
deuk indit ka Pantja batang,
maranan ka kaka bakal;
naeun kampoeh kasantĕpna,
loba tapi teu dianggo,
sakampoehna toeroeb soemboel,
satapih roman i[182] Kĕling,
rĕnjek[183] beunang nilĕp-nilĕp,
rentjang beunang naboer kadjang,
beunang ngoekoepan satahoen,
beunang ngadoepa saboelan,
mihane di djĕro liang,
bisi pĕgat kaänginan,
noe matak titeundeut laleur,
noe matak tidagor aro,
noe matak tiledat[184] toema,
matak tigoeloesoer koetoe;
diroekĕtan[185] bĕnten ĕmas,
pandjangna saästa lĕpas,[186]
dipake meh datang heumpas[187]
dja gĕnteng angkeng noe koneng;
tjap[188] rĕngging[189] kaja papanting,
tjap rĕnggong[190] kaja papatong,
sipat gĕnteng-gĕnteng soteh,
gĕnteng soteh hamo potong,
dja gĕnteng angkeng noe koneng;
bogoh koe tatahan bĕnten,
tatali hoeroeng adoe mantjoeng,
tatah herang adoe kĕmbang,
tatah miring adoe beusi,
tatah goelawir[191] asihan,
anggon-anggon boedak ngora,
boedak ngora ngala djaja;
ka loehoer ngarois[192] ramboet,
kaoetjoelan gĕloeng agoeng,
kagoegajan[193] gĕloeng malang,
goemorolong goemorontjong,[194]
goemorolong dina tonggong,
goemereleng dina angkeng,
ngaloemboek dina poengpoeran,[195]
ngaloembajang[196] dina koekang;
ramboet hideung meubeur keuneung,
ramboet pandjang njapoe dampal,
di loehoer satikĕl deui,
dipaoet ka tĕbeh toengtoeng,
poeroeloek lajoean[197] tandjoeng,
dipoeril-poeril ka gigir,
pirilik lajon malati,
dipaoet ka tĕbeh beuti;
koleang saloempit pandan,
sakitoe karadjeun teuing,
bagoes pigantieunana,
katjandak sisir djeung minjak,
disisiran diradinan,[198]
dilĕnga-lĕnga[199]wangsana;[200]
ramboet digoelang digoeling,
digelengkeun kana pingping,
meunang sagĕde goegoeling,
digelengkeun kana tjangkeng,
digeleng sagĕde tjangkeng,
dirase koe doea leungeun;
ramboet ditoekal[201] ditikĕl
tikĕl doea tikĕl teuloe,
tikĕl teuloe noengkoe-noengkoe,
tikĕl opat mada-mada,
tikĕl lima lingga[202] omas,
tikĕl gĕnĕp ngoerĕn-ngoerĕn,
tikĕl toedjoeh toempang pitoe,
kadalapan kasalapan,
kasapoeloeh ngahoeloean,
sapoeloeh djeung lima wĕlas,
salawe kabehanana;
teëpan[203] digëloeng malang,
ngala losian[204] ti tĕngah,
dikait koe na djaridji,
ai sok dingaranan inja,
ngaranna: naga pakait,
pakait pada asihan;
dikaweul[205] koe indoeng leungeun,
ngaranna: naga pakaweul,
pakaweul pada asihan;
disoesoepkeun koe na tjoeroek,
ai sok dingaranan inja,
ngaranna: naga soesoepan,
na gĕloeng karasa ngoenggoel,
tjap ngoenggoel direunteut deui,
direunteut koe peupeuteujan;
tjĕplak nonggong ngoleangkak,
miring diga goenoeng soengging,[206]
malang diga goenoeng koebang,[207]
goenoeng soengging teu kagoerit,
goenoeng koebang teu katilad,
niroe gĕloeng ĕmbok agoeng,
beunang nilik ti impian,
beunang nilad ti karatan;
tilikeun para pinoetri,
tanggapeun para ponggawa,
tongtoneun para sanghiang,
ari poelang ka Pakoean.
Satjoetjoendoek pangraoetan,
sasoesoemping panghiriban,[208]
laïn raoet awi apoes,
lain hirib awi tali,
ĕmas kolot beunang mamot,[209]
mas ngorana beunang njatjag,
na beunang njatjag djeung kĕmbang;
ngaranna: ngaromang[210] siang,
anggon-anggon boedak ngora,
boedak ngora ngala djaja,[211]
ditilik ti kadjaoehan,
diteang ti kaänggangan,
tanding poetjoek kaoeng ading,[212]
dieunteupan koe kangkareng,
tjarĕntik pabalik-balik;
tjarĕntang papoelang-poelang,
kadiga sahantja mojan,
tanding sawah ajeuh ngora,
koemaritjeup koemarideup,[213]
diga bentang kabeurangan;
kalogroganna[214] karembong,
kagoegajan na salĕmpaj,
hoeloe soesoe boer ngagĕboer,
hoeloe inang tjaj ngagĕntjaj,[215]
hoeroeng ka singbarang[216] daoen,
hibar ka singbarang tangkal;
goemĕndoeng[217] goemandaria,
tanding gandaria matĕng,
kasĕlang majang kalapa,
katjĕngkir kalapa ading,
katoeroeban koe mantjoengna,[218]
katjĕpet koe mandjarena,[219]
santĕn barenbeu tjoengapna,
bareubeu pantĕs panginang;[220]
pantĕs panginang noe lĕndjang,
sakĕkĕmbĕn aris toendjoeng,
kalapa goela maningkĕm,
dimangka tjioet[221] ka loehoer,
dimangka bingbar[222] ka handap,
dimangka ngĕndong[223] di tĕngah;
geusanna roeroeoem[224] mangkoek,[225]
geusanna wawangi madjik,
orok aja koe baoena,
baoe dedes baoe rase,
baoe karĕmba[226] kastori,
baoe kampoeh njaï ajoe,
baoe sindjang njaï bakal,
baoe kaën nji panganten;
sok noe dingaranan inja,
ngaranna: naga roeroesit,[227]
matak roesit[228] baris boedjang,
baroebah[229] noe imah-imah,
sakoekoedoeng tjinde woeloeng,
sakongkojang[230] tjinde kĕmbang;
bogoh koe raga noe geulis,
aï pak polah dangdanan,
gĕmbreng-gĕmbreng koneng-koneng,
gĕmbreng koneng soelah[231] dengdeng,
hoeroeng djaridji ka manggoeng,
kadjoeroeng koe ali pajoeng;
ali pajoeng tikĕl baloeng,
heuleut-heuleut boeah seureuh,
sĕla-sĕla tjatjag nangka,
di tĕngah soeria kanta,[232]
mĕlat-mĕlat[233] sotja manik,
mĕlĕng-mĕnĕng[234] sotja intĕn,
noe loba sotja widori,
anggon-anggon boedak ngora,
teu pandjang tjatoer dangdanna,[235]
sakeudeung paragat anggeus,
pintasan lastari dangdan,
ngan kantoen amit-amitan.
Tjek amitna pawarang ka ratoe.
„Kantoen linggih kari tjalik,
djoemĕnĕng ngalingga[236] dapoer,
seujeup ti bireungeuh peunteu,
karana hatoeran amit,
awak ing eudeuk maranan,
maranan ka Pantja batang,
pateumoe djeung kaka bakal.”
Saoer ratoe: „soemangga, njai, tapi oelah këbël teuing."
Bogoh koe raga noe geulis,
indit birit loegaj emok,
koredjat milĕpas mantĕn;
goeloesoer gontewang[237] toeroen,
tjap reundeuk angkat di taneuh,
keupatna lalagĕdajang,[238]
ngoesiran baë ka mana,
ngoesiran ka Pantja batang,
hanteu ditjatoer lilana,
sakeudeung goeroedag datang.
Toeloej bagoes masang tabe,
masang djati paralaja,[239]
pok njaoer moenna noe geulis,
oenggah dina wiwilangan,
„Awak ing deuk miloe eureun sakeudeung, ngeureunan palaj ngalĕmar, ngeureunan palaj djeung tjape.”
Tembalna dahoean daleum: „oelah toemangtoeng toemaling goeroe.”[242]
„Toemedja toemaling gĕnah,[243]
gorodjo[244] bagea soemping,
ka loehoer ka Pada manggoeng,
ka Salaksa manda[245] panas,
salampit sageusan tjalik,
moenna djeung djĕnĕng si kaka."
Bogoh koe raga noe geulis,
tjap rĕkĕt neker taradje,
sahambal kadoea datang,
galeong genggele[246] tjalik,
tjalikna hilir ka damping,
ka girang soegan kapalang,
sapasang sapidangdoekan,[247]
gek tjalik pada hareupan.
Tjarek kakana:
oenggah dina wiwilangan,
lamoen boengkoes tjariwoeheun,[248]
lamoen tikoro kotokan,
Ngoesiran baë ka mana,
ngoesiran ka Pantja batang,
Pan tja batang bande[249] agoeng,
geusan ponggawa koempoelan,
galeong genggele tjalik,
sapasang sapidangdoekan,
teuloean sapidoeloeran,
doeaän sapilantjeukan,
ka tjaï djadi saleuwi,
ka darat djadi samĕrang,
tjalik njoendoek balandongan,
toeloej sagoeloeng-sagalang,
tĕtĕp langgĕng toenggal tineung,
teu tjangkrana[250] teu bajana.
Tĕroes pesta koemaha onam biasa tali paranti; teu ditjaritakeun deui.
D j ĕ m p l i n g.
November 1911.
__________
- ↑ Naar den gebruikelijken trant.
- ↑ sĕnen kalemekan.
- ↑ De naam van dit eiland was D, slechts een klank.
- ↑ pek.
- ↑ aneh-aneh.
- ↑ oeroesning, toetoeran.
- ↑ pasang.
- ↑ djaroemat.
- ↑ watĕs, sĕngĕt.
- ↑ wetenschap, kennis.
- ↑ loba noe kadenge tapi tilok kadeuleu, de onzichtbare oorzaken van onbestemde geluiden.
- ↑ koerah = koreh.
- ↑ repeh.
- ↑ Formulier tot vragen van vergiffenis voor eventueele tekortkomingen bij het voordragen der pantoen. Elders bezigt de toekang pantoen steeds radjah.
- ↑ sapoen.
- ↑ Wie goeroe is, wist D. niet; ik denk aan Batara Goeroe = Batara toenggal.
- ↑ Verbastering van de Indische heilige syllabe om.
- ↑ sapoen.
- ↑ langeu.
- ↑ toekang.
- ↑ rĕrĕb.
- ↑ sisi.
- ↑ rawoe.
- ↑ njindir kana njoembang.
- ↑ njindir kana njamboeng.
- ↑ lawong, panglawongkeun.
- ↑ loehoer.
- ↑ loehoer; ngalanglaoeng; langlaoeng loeloehoer.
- ↑ ngareka.
- ↑ kaängkeuhan.
- ↑ doehoeng; mipitjis; dipipitjis, met een kris geëxecuteerd worden.
- ↑ hideung.
- ↑ gegolfd gelijk een lopang-blad; rusteloos golvend.
- ↑ Eigennaam van een mindere godheid.
- ↑ sora goegoer.
- ↑ ĕndog.
- ↑ sakerepekna; sakoropokna.
- ↑ walet.
- ↑ kaboeroe-boeroe.
- ↑ da.
- ↑ geugeuh.
- ↑ inggeuh.
- ↑ Het jaartal op den Batoe toelis, 1. e. blz. 186.
- ↑ njatjandrankeun, spreken over voorgegane geslachten in beeldspraak.
- ↑ teureuh.
- ↑ doesoen.
- ↑ Verh. Bïit. Gen. v. K. en W. dl. 58. 3.
- ↑ toeroenan.
- ↑ bangsa.
- ↑ goreng.
- ↑ roendajan.
- ↑ overleden ?
- ↑ = sesekeler, doch wegens het rijm met den klinker i.
- ↑ tjaäng.
- ↑ Eene Pohatji.
- ↑ ngoembara, idĕr-idĕran.
- ↑ ditjarek.
- ↑ kakoerilingan.
- ↑ Een boomsoort.
- ↑ De gandaria.
- ↑ Een vrucht.
- ↑ mĕtjakan, ngasaän.
- ↑ parĕng.
- ↑ rewoe-rewoean.
- ↑ tjĕntĕk, bĕntik.
- ↑ Adellijke titel voor de afstammeling eu van Ki-djo. Het Jaartal op den Batoe-toelis, 1. c. blz, 191, noot.
- ↑ korowodol, gagabah.
- ↑ pĕlong, soreang.
- ↑ tjotjopet.
- ↑ Een insect, Lepisma?
- ↑ denok, voor 't rijm met oe.
- ↑ pangkeng.
- ↑ djĕngkar.
- ↑ loeloeroeng.
- ↑ sanggeus.
- ↑ beak.
- ↑ over dit en dat praten.
- ↑ toelaten van 't gewaad.
- ↑ net om herten te vangen.
- ↑ kabeulit.
- ↑ in één greep opnemen van meerdere dingen.
- ↑ kuiltjes in de huid van knolvruehten, bijv. gelijk bij de aardappel voorkomen en waaruit de nieuwe kiemen ontspruiten; oogen.
- ↑ beteekent gantjangna: sapĕrti naroek pakoe.
- ↑ Zelfde beteekenis.
- ↑ nangkoeban, njoeöeh.
- ↑ doek = dĕk.
- ↑ dĕk afkorting van adĕk.
- ↑ ĕmboet, de lippen tot spreken bewegen.
- ↑ omongna, sabdana.
- ↑ ari.
- ↑ nanging.
- ↑ koekoerajeun, kippenvel hebben, krijgen.
- ↑ ingkah, anggang.
- ↑ adoeh.
- ↑ denge.
- ↑ hade teuing.
- ↑ mere hate.
- ↑ pinding, paminding.
- ↑ tetebeng = een lage wand.
- ↑ ngagoearkeun.
- ↑ rĕgĕl = motong; gĕrĕgĕl, door scherpte gemakkelijk snijden.
- ↑ panambah.
- ↑ op 't bed liggen zonder nochthans te slapen.
- ↑ niet gebruiken.
- ↑ woejoeng.
- ↑ kĕrab, heen en weer wuiven.
- ↑ Hiermede vangt het uittreksel bij J. J. Meijer aan.
- ↑ de opperste.
- ↑ kira.
- ↑ prijaji.
- ↑ sewot.
- ↑ hariwang.
- ↑ het land.
- ↑ soeat-seot, heen en weer sleuren, trekken.
- ↑ sĕsĕmoena.
- ↑ ka ditoe-ka dieu; daragdag-doeroegdoeg.
- ↑ paloepoeh.
- ↑ pĕdang, voor 't rijm met oe.
- ↑ batan.
- ↑ Dit is een aardigheid, die zich ongeveer als volgt laat weergeven : „zeg dat scherm daar op zij (van jou) zoo groot als een bajaka kakaboe (paddestoel) (je oor), als dat is gelijk een boeta-oor, d. w. z. zonder opening, dan zal ik er met 's heeren grootste kris een gat in peuteren."
- ↑ met z'n drieën.
- ↑ Dit slaat op het dak van 't straks te noemen heiligdom.
- ↑ ngalawan, baha.
- ↑ gidig-gidig.
- ↑ ngaboeroe.
- ↑ heiligdom, tempel.
- ↑ niets was niet is orde.
- ↑ D. kon geen verklaring hiervan geven; ik hond het voor den naam van den tempel.
- ↑ korter eenvoudig: ngaing.
- ↑ datang ka.
- ↑ tjantilan.
- ↑ solojong, djongdjon.
- ↑ de klopper tot het bekken, uit een boengoer-knoest gemaakt.
- ↑ deed hij aankomen tegen.
- ↑ heilige.
- ↑ banding.
- ↑ sakĕtjap njata; sakĕdap netra.
- ↑ tjektjok.
- ↑ loba tjarita, alewoh.
- ↑ aja di mana.
- ↑ Een klein vogeltje, doch nooit verzadigd en alles etend van daar de uitdrukking voor grooten honger: peudjit koreseun.
- ↑ 't is in 't geheel niet aldus; kararitoe is het tweemaal tot meervoud gemaakt kitoe.
- ↑ boedak awi.
- ↑ tjol leos.
- ↑ karorontjodan.
- ↑ Dit vervaarlijke geleuter over de oorzaak van het gehoorde geluid, verwekte algemeene hilariteit.
- ↑ bogoh tot inleiding wat de mindere lieden aanbrengen.
- ↑ in drommen elkaar volgen, eungkeuj.
- ↑ in gelederen achter elkaar loopen.
- ↑ ngagĕbaj pandjang.
- ↑ lar.
- ↑ djiga.
- ↑ in de handen klappen en juichen.
- ↑ niet verklaard door D.
- ↑ golongan.
- ↑ kekerentjengan, 't geluid van 't op 't gebit knabbelen.
- ↑ kokorontjongan, idem, als boven.
- ↑ nekrok (t), kos birit parioek.
- ↑ tjoeeut, sawah lamping.
- ↑ kos wadah.
- ↑ palang.
- ↑ ngahapit, dihapit.
- ↑ met een mesje gelijk krabben.
- ↑ verlaten weg.
- ↑ disingkahan.
- ↑ ngadjodjode-ngamomore.
- ↑ murmelen.
- ↑ soepaja, dapon.
- ↑ kaloeas-kalieus, loeak-lieuk.
- ↑ mondharp.
- ↑ njangking, njěkěl.
- ↑ kantjad-kintjid.
- ↑ gĕgĕndir.
- ↑ njĕkĕl.
- ↑ Deze drie koepletten munten uit én door de geslaagde dangding én door levendigheid.
- ↑ nang-ning klinken.
- ↑ klokspijs.
- ↑ Thans de wijze asmarandana, waarvan de naam is afgeleid van Smara dahana, een lied dat het verbranden van den liefdegod Smara Kama door Çiwa bezingt. Dit deed laatstgenoemde god door middel van een straal vuurs uit zijn derde oog, omdat Kama hem, terwijl hij boete deed, in liefde voor zijn gemalin, Parwati, trachtte te doen ontvonken. Daarna wordt Kama door Çiwa weer in 't leven teruggeroepen.
- ↑ Deze wijze: overwinnende ie euw, bestaat thans niet meer.
- ↑ ilok, sok.
- ↑ para.
- ↑ ing.
- ↑ renjok, met ë voor 't rijm.
- ↑ tisoledat.
- ↑ vastgegord.
- ↑ saästa lĕpas = doea asta = 1/2 vadem.
- ↑ himpas, tĕpoeng.
- ↑ kotjap.
- ↑ lĕnting.
- ↑ lĕntong.
- ↑ wadah.
- ↑ ngarawis.
- ↑ loegaj.
- ↑ golvend afhangen.
- ↑ poengkoeran.
- ↑ ngaroembajna.
- ↑ lajon.
- ↑ diradjinan.
- ↑ lĕnga, olie; oliën.
- ↑ = mangsana, beteekent hier zeer lang.
- ↑ toekel-tikĕl.
- ↑ liang.
- ↑ toempoek.
- ↑ loeloemat, haarstrengetje dat 't kapsel op de plaats moet houden.
- ↑ de loeloemat van terzijde insteken.
- ↑ een lage berg.
- ↑ een hooge berg. In Tĕgal zegt men koembang; verg. Goenoeng Koembang, zetel van eveneens nog niet tot den Islam overgegane Soendaneezen.
- ↑ pangnjobitan.
- ↑ mangot (p).
- ↑ omjang.
- ↑ awet.
- ↑ gading.
- ↑ kideup, kĕdep.
- ↑ karagragan.
- ↑ ngagentjlang.
- ↑ sambarang.
- ↑ bedauwd, zooals bijv. pruimen, druiven.
- ↑ sintoeng.
- ↑ njere.
- ↑ pangĕnjot, tepel.
- ↑ teros.
- ↑ ngambar, aan één kant afhangen.
- ↑ ngĕlĕndong, mĕlĕndoeng.
- ↑ aroem.
- ↑ tjitjing.
- ↑ minjak kĕlĕmba.
- ↑ patroonsnaam.
- ↑ roedjit.
- ↑ barobah.
- ↑ om den hals slaan. Sa = di.
- ↑ haar op 't voorhoofd.
- ↑ kristal.
- ↑ gilap-gilap.
- ↑ mĕlĕngmĕng.
- ↑ Het is dan nu ook wel geweest.
- ↑ haloe-loeloempang = ngalingga hiang; een erectie hebben; gelijk de haloe naar de loempang verlangen.
- ↑ gantawang.
- ↑ met de heupen wiegen.
- ↑ = parele.
- ↑ Een boomsoort.
- ↑ boendĕr, baloendĕr.
- ↑ blijf niet in den hoek staan.
- ↑ zijstijl.
- ↑ geura djol.
- ↑ = mandapa, tempel?
- ↑ tjelegedeg, gek.
- ↑ een stel van twee.
- ↑ haripeut.
- ↑ paseban.
- ↑ = rantjana.