Tjarita Tjioeng Wanara

Ti Wikipabukon
[ 85 ]

TJARITA

TJIOENG WANARA

MIMITINA DITJARITAKEUN

TI

NAGARA GALIH PAKOEAN




Poen, sapoen,
Ka loehoer ka Sang Roemoehoen,
Ka goeroe Hjang Bajoe,
Ka handap ka batara,
Ka goeroe poetra Hjang Banga,

Koering rek ngĕmbangkeun lampah oerang baheula. Palias, moen rek mangmantoenkeun, sĕdja rek mantjakakikeun, noetoer aloeran karoehoen. Baheula di nagara Galih Pakoean, njaritakeun noe keur waktoe djaman harita, eusina di nagara Galih Pakoean aja djoemblah tigang sewi, tigang kĕti, tigang laksa, tigang ewoe, tigang atoes, tigang poeloeh tiloe, tatapi kakarek silĕman reudjeung siloeman. Ari bangsa oemat kamanoesan kakarek opat poeloeh djodo, ari bangsa manoesa doea poeloeh lima djodo.

Dĕmi anoe kagoengan nagara eta Sang Pĕrmana di Koesoema, nja eta Sang Praboe ratoening Galih anoe noeloejkeun di nagara Galih Pakoean.

Tatapi Permana di Koesoema teu atjan kagoengan poetra, karek kagoengan pawarang doea; ari pawarang noe sĕpoeh djĕnĕngan Pohatji Naganing Roem, noe anom Dewi Pangrĕnjĕp.

Patihna ngadĕg sapoeloeh: hidji Patih Poersewi, doea Patih Poerwa Gading, tiloe Patih Siwa Nagara, opat Patih Siwana Goeroe, lima Dĕmang Tjandra Goelingan, gĕnĕp Patih Rangga Tjampaka, toedjoeh Dĕmang Rangga Waloeling, dalapan Dĕmang Soemantri, salapan Dĕmang Patih Kĕndit Birajoeng, sapoeloeh Patih Moending Kabilal.

Djaksana aja doea: hidji Panata Joeda, doea Patrakĕlasa. [ 86 ] Ngabeuina aja hidji: nja eta Bek Kakarantang, sarta digĕntos djĕnĕnganana, nja eta Batara Lengser. Eta diasih katjida koe ratoe.

Kadjaba ti eta aja deui kakasihna, nja eta Mantri anom Aria Kĕbonan, Ki Gĕdĕng agoeng.

Ari dina waktoe harita, praboe ratoe keur koelĕm, dipitoetoer bale binatoer, dikĕmitan koe doeaan, nja eta koe Lengser tea sarĕng koe Pandaj kawasa.

Geus kitoe, soemping noe rek ngadeuheusan djĕnĕngan Ki Mantri anom. Njampak ratoe keur koelĕm, gantjang bae andjeunna ngoepat ka ratoe tea, ari pokna kieu: "geuraheun teuing, noe djadi ratoe koelĕm pojan di pagoelingan, disarib pagĕr koe bitis, dirogrog boerang koe ramo, dipeuseulan koe pinareup, djaga komo sawarga, tjatjakan ajeuna sakitoe sawargana. Eh, hajang tĕmĕn ngasaan djadi ratoe."

Ti dinja diëmoetan koe Batara Lengser: "bo, gagal tĕmĕn sampean, lamoenna kitoe, kapan sampean teh teroes ratoe, pĕntjar menak lĕlĕntjĕr, djĕlĕma bĕnĕr, santana kapĕrtjaja, sarta kakasih ratoe; kari-kari sampean ngoepat soemoeat, eta mo hade rasa koering mah, ngalampahkeun goroh bohong palatjidra, ratoe teu wĕnang dioepat, kawantoe noe djadi ratoe wĕroeh sadoeroeng winarah, soemawonna lamoen goegah, sanadjan koelĕm oeninga, tah kitoe noe matak teu hade."

Geus kitoe, kadangoe koe praboe ratoe anoe keur koelĕm, ari kasaoeranana: "ai, Raden Mantri anom, ka dieu, sed masing deukeut, dioek sapangloenggoehan di pitoetoer bale binatoer, karana oerang rek naros bieu teh sasaoeran misaoerkeun naon tea, barang sampean soemping teh?"

Ki Mantri anom ngawalon, pokna: "noehoen satimbalan goesti, bobot pangajon aja di goesti, abdi mah teu pisan, soemawonna kaawonan, kasaëan hanteu ngomong."

Daoehan ratoe: "aeh, asep, hanteu oemoem, kapan hanteu hade bohong, malah-malah tjeuk sampean: geuraheun noe djadi ratoe koelĕm pojan dipagoelingan, djaga komo sawarga, ajeuna oge sakitoe sawargana hajang tĕmĕn djadi ratoe, tjeuk sampean."

Keur kitoe, bĕt aja noe ningali, nja eta noe kĕmit tea djĕnĕngan Pandaj kawasa Kiai Gĕdĕng agoeng.

Geus kitoe, goera-giroe balik, njandak padamĕlanana landean doehoeng samalang gandring. Enggalna Mantri anom teh ditekin dina landean, mana ajeunana aja landean mantri kabĕndon.

Sinigeug lampahna Pandaj kawasa.

Oerang njaritakeun praboe ratoe tea mariksa ka Mantri anom, ari kasaoeranana: "aeh, Raden Mantri, ĕntong dianggo kaisin koe sampean pedah misaoerkeun hajang djadi ratoe; ajeuna mah heug baë, sarta tampanan pasihan oerang, nja eta nitipkeun nagara raoeh eusina, saraoeh pawarang doea oerang titip ka maneh, tatapi lain titip kĕmbang kangilang, titip soteh kĕmbang kinghoetang; moen ditĕmah pawarang djadi hoetang. Ari djĕnĕngan diganti nja eta koedoe: Raden Galoeh Barma Widjaja Koesoema, njatana ratoe panjĕlang."

"Noehoen sapasihan goesti, abdi didjĕnĕngkeun ratoe, beurat njoehoen, beurat nanggoeng, beurat narimakeunana." [ 87 ] Barang geus kitoe, ratoe noe ti heula toeloej sidakĕp sinoekoe toenggal, ngawatĕk adjianana bade ngĕrĕsakeun leungit tina pangtjalikanana; wantoening bisa, lĕs leungit tanpa lĕbih, ilang tanpa karana. Ari angkatna ka Goenoeng Padang, djadi pandita Adjar Soeka rĕsa.

Oerang toenda tjarios anoe keur tapa di Goenoeng Padang. Oerang njarioskeun ratoe anjar, nja eta Sang Mantri anom. Barang ningali jen praboe ratoe geus ngaleungit, geuat bae ngĕdjat kana korsi gading, linggih bari sasaoeran, pedah geus didjadikeun radja, njaoer ka Batara Lengser: "ai, batjot maneh, Lengser, sor ka dieu, masing deukeut, dioek sapangloenggoehan djeung aing. Ajeuna mah aing geus tjoendoek ka boekoening taoen, datang ka mangsaning boelan, nĕpi ka djangdji pasini, ka pasang soebaja, aing aja milik djadi radja, tatapi euweuh noe njaho kadjaba ti awak maneh, soemawon parabopati, sanadjan pawarang doea noe dititipkeun ka aing, eta hĕnteu njahoëun. Ari ajeuna eta pawarang raoeh maneh aing noe boga; ajeuna geura takol bĕnde lampoeng kaboejoetan, ajana di aloen-aloen, aing geura sembarakeun. Tapi poma, Lengser, oelah dibedjakeun ganti ratoe, bedjakeun ratoe teh anom deui bae kitoe ka patih, parabopati, ka djaksa reudjeung aria, ka mantri, parameswari."

"Noehoen satimbalan goesti."

Galantjang Lengser noe dangdan, njokot tjalana pokek, badjoe bĕkek tiloe kĕpek dipake kabeh, barina amit ka ratoe, ari pokna Ki Lengser, hatoeranana: "intjoe boeboe paranakan sair bintjang, abdi teh hatoer pamitan."

Enggalna Lengser teh loempat:
loempat sakaloempat-lampet,
tarik batan mimis bedil,
lĕpas batan koeda loempat,
ngadoedoed sarangka doehoeng,
liang iroeng mamaoengan,
boeah birit wani hapa,
balas kasepakan keuneung,
wani eor tjetjekolan,
ear moemoentjanganana,
nja kelek tatarompetan,
palangkakan tĕmtĕmbangan,
moenggah kontol heheotan,
lain lantoeng tamboeh lakoe,
lain lentang tanpa bedja,
manggoel pioetoesan ratoe,
ngĕmban piwarangan menak.

Datangna ka aloen-aloen handapeun tjaringin koeroeng, di dopang waringin soengsang, toeloej Lengser teh njokot panakol, sarta pek bĕnde teh ditakol; kotjapkeun sora goöngna ti gĕdena kaleutiknakeun: dĕg, tjinginging!

Geus kitoe, bĕt kadangoe koe saeusi nagara Galih Pakoean, toeloej ditongton koe patih, parabopati, koe djaksa reudjeung aria, koe raden, paragĕgĕden, koe mantri, parameswari, sakabeh geus darongkap. [ 88 ]

Boeroedoel ti tebeh kidoel,
kampoengan paratoemĕnggoeng,
saratoes djeung lima poeloeh,
boeroedoel oemboel-oemboelna,
lagadar djoeraganana,
toempak koeda lalagaran,
mĕsat pĕdang loeloegasan.

Ear ti beh wetan kampoengan ti paradĕmang saratoes djeung lima poeloeh, ngadjadjar panajaganana.

Sor deui ti beh koelon kampoengan parakaliwon saratoes djeung lima poeloeh.

Ngabengbreng ti tĕbeh kaler,
kampoengan ti pararaden,
saraoeh paragĕgĕden,
bawana topeng djeung ronggeng,
ngagoeroeh ka aloen-aloen,
nja pĕndok patjorok-tjorok,
nja pĕdang pahalang-halang,
nja bĕdil wani paboeis.

Sadaja toeloej pada naros ka Lengser anoe sembara, tatapi euweuh noe ngoenghak narosna ka eta Lengser, sadaja parabopati, sadaja njarĕboet oea, wantoening Lengser pangsĕpoehna di nagara Galih Pakoean.

Ari pokna anoe naros: "Oewa, Olot, Engki, Oejoet, aja naon? aja naon?"

Pokna Ki Lengser, ngawalon: "doeh, kabeh parabopati, oerang teh eukeur sembara, njembarakeun ratoe oerang ajeuna tjoendoek ka boekoening tahoen, datang ka mangsana boelan, ajeuna ratoe oerang teh geus anom deui."

Papatih pok ngawalon indit: "bo, abong teuing, kamari mah tjikeneh pisan ratoe teh kapan geus sĕpoeh, atoeh nja soekoer, Oewa tanwande lambat koemawoela." Omongna eta sadaja.

Ari tjeuk Batara Lengser: "ratoe mah tara moegoeran, menak mah tara miranan, bisa kolot bisa ngora; ajeuna geus anom deui."

Sadaja euweuh noe njaho di nagara gĕntos ratoe, ngandĕlkeun bae ka Lengser.

Geus kitoe, Lengser nimbalkeun ka sadaja panajagan, sĕdjana mirig ka ratoe nganteur kapalaj radja tataloe di aloen-aloen.

Marentah ka toekang soerak,
koedoe tjalangap harita,
teu meunang hanteu pedahna,
koe Lengser anoe marentah,
toekang heot ĕnggeus monjong,
toekang djĕdjĕk geus djarengke,
toekang tondjok ĕnggeus rantjoeng,
peureupna ngatjoeng ka loehoer,
malah reudjeung toekang bĕkok,
gawena ngadjawil boedjoer,
tapi pesta tatjan rek pek,

[ 89 ]

kira tiloe poe deui,
ngadago noe njeungeut bĕdil.

Geus kitoe Lengser teh loempat marentah njeungeut mariĕm:

Kalangtaka bĕdil tinggar,
sĕnapan reudjeung istapel,
darogdog bĕdil panorog,
doer bĕdilna gĕr soerakna,
tjoeroeloeng reudjeung angkloengna,
noeroengtoeng sorana tjaloeng,
baralang sora gambangna,
mĕlas-mĕdis sora soeling,
hariring sora karinding,
bareleng sora tamboerna,
teretet sora tarompet,
ngahioeng sorana bangsing,
sĕblak bari ditatakeun,
pintĕrna Batara Lengser,
mĕtakeun noe tatabeuhan,
toeroengtoeng kĕndangna roejoeng,
ditoetoepan koelit loetoeng,
dirarawat hoë woeloeng,
ditĕpak koe indoeng-indoeng,
pantĕs tingaroenggoet gĕloeng.
niringting kĕndangna mindi,
ditoetoepan koelit sapi,
dirarawat hoë sĕti,
ditĕpak koe nini-nini,
lampahna pating djarendi,
tarangtang kĕndangna dadap,
dirarawat hoë walat,
ditĕpak koe bararoedak,
barina pating arengklak,
terengteng kĕndangna djambe,
ditoetoepan koelit ĕmbe,
dirarawat koe hoë sĕge,
ditĕpak paratjawene,
barina pating arĕnte,
sĕblak bari dibaksaan,
bĕk ka hareup baksa peureup,
bĕk ka toekang baksa pĕdang,
torolong baksa kadjongan,
oeleng-oeleng baksa kĕpĕng,
rengkebeng djeung badajana.

Oerang toenda tjarita anoe keur pesta. [ 90 ] Tjatoerkeun praboe ratoe tjalik dina korsi gading.

Sila noempang sangadoelang,
koemis nongkrong ngadjanggaong,
ngome koemis digoöngan,
djĕdoed koemis tjĕngkoeng goöng,
soeka seuri soeka ati,
bear mamanahanana,
ngadangoe noe tatabeuhan.

Oerang toenda tjarita noe dipestakeun.

Oerang tjaritakeun pawarang titipan tea noe djĕnĕngan Dewi Pangrĕnjĕp ajana di padalĕman.

Barang ĕnggeus kabedjaan ti sadaja ĕmban-ĕmban noe bebedja ratoe teh geus anom deui, gantjangna poetri teh, toeloej dangdan barï njaoer ka eusi boemi: "aeh, bibi, ratoe teh, kapan geus sepoeh, ajeuna geus anom deui; tjik, hajoe, oerang deuheusan."

Kotjap poetri anoe dangdan:
Sindjangna poerbanagara,
kĕkĕmbĕn soetra dewangga,
ka loehoer ngarompes gĕloeng,
nja sigĕr reudjeung pamĕnggĕr,
tapoek gĕloeng djeung kangkaloeng,
salobong sarangka awak,
tjĕplak noe bagal pinareup,
tjoemĕket bĕnten kantjana,
goemilĕr pamingĕl intĕn,
aloes pawarang noe dangdan,
langkojang awak wajangeun,
gilig pingping pantjoeh bitis,
indoeng soekoe nonggong lĕmboe,
pangaroeh merat angkatna,
taktak lir taradjoe ĕmas,
lĕnggik ramping lajoe koening,
panangan tanding gondewa,
pandjang pasipatan sotja,
ngintjĕr boeboedakanana,
tjoereuleuk seukeut bireungeuh,
poetĕr koeroeng di pangamboeng,
pangaroeh rea noe asih.

Geus poetoes anoe keur dangdan, enggalna teh toeloej angkat ngadeuheus ka praboe ratoe.

Teu katjatoer di djalanna, kotjapkeun geus soemping bae poetri noe rek ngadeuheusan.

Poetri ningali ka praboe ratoe, bd tetela geus anom deui, jaktos pisan saeusining bedja; harita poetri teh, kabĕdil langit manahna kabentar mega, poetri teh [ 91 ]kalinglap manah, wantoe ratoe sakaroepa djeung ratoe noe tiheula, noe djadi pandita di Goenoeng Padang. Djeung deui Dewi Pangrĕnjĕp teh, hĕnteu oeninga harita digĕntos ratoe, maroekan tjaroge heubeul. Soemawonna praboe ratoe, teu roemaos lamoen pawarang teh, titipan batoer, raosna garwana bae. Langkoeng soeka manahna praboe ratoe.

Oerang toenda tjarios praboe ratoe.

Ooerang tjarioskeun anoe kagoengan pawarang, nja eta pandita di Goenoeng Padang.

Ningali ka noe eukeur soekan-soekan tapi manahna mindĕl, ningali ka pawarangna, nja eta Dewi Pangrĕnjĕp, kawasna sieun leungiteun toeroenan, wantoening pandita, basana keur djadi radja teu atjan kagoengan poetra ti pawarang noe doea tea, malah-malah njaoerkeun sadjĕroning kalboe ora kawĕdal ing lisan, ari basana: "eh badan, boemi, langit:

boeroeng djadi sawargana,
nandoerkeun pare ranggeujan,
sawah sakotak dipagĕr,
lĕbar tĕmĕn pawarangna,
bogana oerang noe doea,
geus tangtoe leungit wiwitan,
kantĕnan timboel wĕkasan,
wiwitan noe djadi ratoe,
tĕgĕsna nja badan oerang.

Tatapi noe matak soesah sabab tatjan boga anak ti oerang, geus tangtoe ti ratoe anjar jen bakal baroga anak, karana kitoe lampahna, teu beunang di pihapean, nja eta sapĕrti mihape hajam ka heulang."

Gantjangna pandita geuat bae tapakoer, nĕda-nĕda ka noe Kawasa, nja eta Hjang Widi, tina hajang kagoengan poetra ti pawarang noe doea, anoe geus katitipkeun tea, tapi mo boeroeng dipasihan koe Hjang Widi, tina bangĕt noe tapakoer.

Teu lila bĕt dipasihan tjahja noe leuih mantjoer. Toeloej kana madiagantang tjahja roepa hantiga, geus kitoe bĕt djadi doea pintĕrna anoe maparin.

Ari tjahja noe hidji ragrag ka sirah nagara ka pawarang pangsĕpoehna, ka Pohatji Naganing Roem, njoeroep ngabadjoe ngaraga soekma mandjing kana salira; tetela eta pawarang bakal kagoengan poetra pamĕgĕt sarta kasep.

Ari tjahja noe hidji deui ragragna ka padalĕman, ka pawarang panganomna, nja eta Dewi Pangrĕnjĕp anoe keur ngadeuheusan tea; tetela tjahja asoep ka djĕro wĕwĕtĕngan, geus tangtoe kagoengan poetra.

Barang geus kitoe, Dewi Pangrĕnjĕp harita toeloej sedjen raraosan dina eukeur ngadeuheusan, enggalna oendjoekan, ari pokna: "adoeh, goesti dalĕm agoeng, abdi sedjen teuing raos, tara-tara ti sasari, badan teh leuleus djeung teunangan, lalĕsoe barina toendoeh. Naon bae alamatna, sok matak soesah katjida, koerang tangan pangawasa, soemangga goesti, geura lahirkeun."

Ti dinja ratoe teh njaoer: "doeh, Njai, pĕrkawis anoe toendoeh tetela noe [ 92 ]hajang koelem; mangga, Njai, oerang karoelem.” Tetela di pangoelingan poetri sareng ratoe, ratoe teu roemaos pawarang titipan batoer.

Toenda heula tjarios noe keur karoelem.

Oerang tjarioskeun pawarang noe sepoeh, nja eta Pohatji Naganing Roem.

Dina waktoe harita pawarang teh keur koelem, andjeunna toeloej ngimpen jen ningali tjahja roehaj aja di dasar sagara, ladjeng bae ditjokot koe Naganing Roem, nja toeloej dikandoeng koe tjinde woeloeng.

Barang geus tanghi, Naganing Roem nangis kaedanan koe impian, koe sabab taja boektina.

Oerang toenda tjarita noe eukeur nangis.

Kotjapkeun sang pandita.

Katingali jen Pohatji Naganing Roem eukeur nangis kaedanan koe impian; gantjangna pandita toeloej loengsoer, tatapi bari ngaleungit. Barang soemping toeloej bae ngawoeroekan ka Naganing Roem, ari kasaoeranana: „adoeh, Njai, poma-poma ajeuna teh oelah nangis, sababna eta impian bakalna ge djadi poetra. Anggoer, Njai, geura dangdan deuheusan praboe ratoe, da ajeuna mah geus anom deui. Djeung Njai koedoe oendjoekan, kieu nja pioendjoek: jen aja hidji pandita datangna ti Goenoeng Padang, noedjoem ka impian koering, ari pokna ki pandita, goe'sti, bakal kagoengan poetra ti pawarang noe doea, sarta poetrana ge doea tetela pameget kabeh.”

Enggalna poetri teh djengkar ngadeuheus ka praboe ratoe, bari oendjoekan sakoemaha pisaoer sang pandita; teu aja pisan noe kaliwat.

Ti dinja ratoe teh mindel sadjeroning mamanahan, sabab tatjan oeninga jen aja pandita di Goenoeng Padang. Saoer ratoe: „ai, Njai, naha mo goroh aja pandita di Goenoeng Padang, naha Njai teh njanjahoanan.”

Ari kasaoeran poetri: „noehoen satimbalan goesti, hatoer abdi teh teu pindo gawe, abdi teh hanteu bohong, malah-malah bieu pisan sasaoeran sareng abdi.”

„Ai, Njai, mangke heulaan, oerang nanja ka Lengser, sabab eta boeat saksi noe beunang dipertjaja, karana Lengser pangkolotna di nagara Galih Pakoean.”

Enggalna Lengser disaoer koe Praboe ratoe, ari kasaoeran: „ai, Lengser, sereg mangka tereh, sor kadieu masing deukeut, dioek sapangloenggoehan.”

Lengser enggal ngawalon: „o, goesti, noehoen sareboe, gerah salaksa, goesti rek nimbalkeun naon, noe mawi njaoer ka abdi?”

„Eh, Lengser, kieu noe matak maneh disaoer; oerang kasoempingan pawarang ti sirah nagara, njaritakeun jen aja pandita di Goenoeng Padang sarta binangkit, eta maneh njaho? Lamoen njaho geura tjaritakeun, lamoen teu njaho geura pikiran.”

Lengser henteu gantjang-gantjang ngawalonan, sabab soesah, kawantoe pandita teh tetela jen djoeraganana. Toeloej mikir sadjeroning ati, kieu mikirna: koemaha ari rek dioendjoekeun da poegoeh djoeraganana bisi koemaha onam, ari teu dioendjoekeun, boeboehan noe dipariksa, djadi matak ngoesik-ngoesik oela mandi, ngagoegahkeun matjan toeroe.

Wantoening Lengser djalma binangkit, ngadak-ngadak njiar akal, njieun atoeran harita ngomongkeun djaman keur ngora, ngarah ratoe oelah bendoe.

Ari tjek Lengser: „noehoen satimbalan goesti mariksa ka djisim abdi, marik[ 93 ]sakeun pandita di Goenoeng Padang, atoeh tetela katjida bedjana.”

Praboe ratoe toeloej njĕntak, nja eta ka Lengser tea, koe sabab omonganana teu poegoeh, saoerna Praboe ratoe barina boedi poesing, reup geuneuk, raj pias, gĕbes kadia banteng, gĕtĕm kadia matjan, ngadjĕngkang oerat tarangna sagĕde laki loeloempang, napsoena teu kira-kira: "ai, batjot, Lengser, apan tetela, apan bedjana, bedja ti saha?"

"O, mangke ngeran,” tjeuk Si Lengser: "bobot pangajon timbang taradjoe, bobot pangajon aja di goesti, abdi njoehoenkeun pangadilan, noe mawi abdi hatoer bedjana: sok ras eling, djaman keur ngora, nja eta gadoeh sobat Nini djeung Aki pangĕbonan, boga pakarang koedjang hidji. Geus kitoe koedjangna leungit, leungitna di taoen toekang, tanggal opat, boelan Radjab, poë Ahad. Ti dinja Nini bingoeng; toeloej mangproeng, pedahna leungiteun koedjang, ana los ka Goenoeng Padang, di dinja nja tĕpoeng djeung pandita, enggalna metangankeun koedjangna noe leungit tea. Ari saoerna pandita: "Nini, koedjang teh hĕnteu leungit, ajeuna ge aja keneh dina oeroet Nini ngoendeur, ditoempangkeun dina toenggoel lame; djig bae ajeuna, geura teang, mo boeroeng kapanggih deui."

"Gantjangna koe Nini teh toeloej diteang ka oeroet ngoendeur. Barang datang, bĕnĕr pisan koedjang teh aja keneh sakoemaha panoedjoeman pandita; noe matak abdi oendjoekan tetela bedjana."

Ari kasaoeran ratoe: "lamoen kitoe mah, Lengser, lain noedjoem saĕnjana, pandita njanjahoanan, pandita noenoedjoemanan, dibasakeun pandita metangankeun koedjang memeh leungit, tah, kitoe tjeuk aing mah."

Noehoen satimbalan goesti, tapi abdi langkoeng heran koe daoehan Goesti, naon anoe didaoehkeun metangankeun koedjang memeh leungit? abdi mah koe hajang terang."

"Lamoen kitoe, maneh teh bodo katjida, ari hartina kieu: saoepama diri maneh toeloej leumpang mawa koedjang, datang ka djalan toeloej maneh teh balik deui, dadakoe maneh ka aing: djoeragan koedjang teh leungit, tapi tatjan ari tjlik mah; tah Lengser saibarat kitoe, sainggana kitoe."

"Abdi mah heran saoer teh make ibaratna sarĕng nganggo sainggana, eta siga nanahaon misaoerkeun anoe kitoe?"

"Ari, Lengser, eta mah ngan babasan bae, euweuh piroepaeunana."

"Mo tiap-tiap aja babasan, kĕdah aja noe dibasakeun, satiap wĕroeh koedoe doemoek, waspada nja koedoe njata, kapan tjeuk piwoeroek oge hanteu hade ngalampahkeun goroh bohong, sanadjan ngoeroeloeng saoerna ana teu aja boekoerna, djadi nalapoeng, mirilik pangartina lamoen teu aja boektina, hoekoemna teu djadi misil."

"Ai Lengser, lamoen kitoe mah, maneh teh mangmeunangkeun ki pandita."

"Ih, lain, goesti, eta mah saoepamana, ari kalampahna pandita apan mah sok saĕnjana, malah saoer, goesti, tadi noe make saibaratna eta teh aja boektina; ari saibaratna tea: kanjataan angin gĕde, ari basa sainggana: njatana liang siraroe, nja eta lingga. Ari lampah pandita mah teu beunang dihina-hina, lampahna: tata, titi, talari, tali paranti. Naon hartina tata djeung naon hartina titi, naon hartina tali paranti?" [ 94 ] "Hartina tata: njatana tataman, djadi tata reudjeung batoer, dĕmi roepa sakaroepa, ari leumpang saaleutan, pendekna roentoet djeung batoer."

"Hartina titi, nja eta titinggi tea, awak pandjang roepa beureum, soekoena loba katjida, tatapi teu tali gantja; djadi titih lakoena, moen moenggoeh noe djadi ratoe, moen tjara soekoe titinggi mĕtakeun abdi sadaja djadi beres padamĕlan."

"Ari tali paranti, naon hartina?"

"Ari tali paranti, kanjataan tali kepek, teu beunang ditalikeun ka noe sedjen, koedoe kana parantina, satjangreud pageuh, sagolek pangkek, ngadek satjekna, nilas sapatna, omong sapokna, pandita tara njalahan; tah, kitoe lampah noe djadi pandita."

Daoehan praboe: "bĕnĕr tĕmĕn omong maneh, tatapi eta pandita giri loengsi tanpa ingan, wani noedjoem ka pawarang ratoe: boga anak tjeuk pandita, doea tjeuk pandita, lalaki tjeuk pandita; boa djinah ki pandita djeung pawarang aing."

"Soemoehoen timbalan goesti, basa giri tea: goenoeng, ari loengsi: tjatjing, basa tanpa: wahangan, basa paingan: djoeragan."

"Naha malindĕs ka aing?"

"Soemoehoen, djoeragan teh malik tali paranti, ngalap koedjang sapangarah, djadi kagoengan tĕrka hĕnteu ngandĕl."

"Lain teu ngandĕl aing teh, lain teu pĕrtjaja ka pandita, ajeuna mah geura teang koe maneh ka Goenoeng Padang, ala masing kabawa."

"Soemangga."

Enggalna Lengser toeloej leumpang ka Goenoeng Padang, djaoeh mo boeroeng tjoendoek, anggang tan wande datang.

Teu katjatoer di djalanna; kotjapkeun Lengser teh eureun, eureunna handapeun tandjoeng, saloehoereun batoe datar.

Geus kitoe, Lengser teh ngoepat, ngomongkeun Praboe ratoe, tjeuk Lengser: abong-abong djadi ratoe, lampahna poerba kawasa, tatapi lain kawasa lamoenna kitoe pĕtana, nja eta ngaranna poerba njalahan, dibasakeun noe asih dipoelang tai, noe haat dipoelang moha; ratoe teh pada hal lamoen teu koe pandita di Goenoeng Padang koe saha djadina ratoe, kari-kari ngangaranan djinah, lain djinah da anoena, geura bae mangke ari datang ti Goenoeng Padang mo disĕmbah koe leungeun, dek koe soekoe bae."

Oerang toenda lampahna Lengser.

Oerang njarioskeun deui praboe ratoe.

Barang Lengser geus djoeng ka Goenoeng Padang, ratoe toeloej miwarang dangdan ka poetri pawarang doea: Naganing Roem didawoehan ngandoeng bokor kantjana: Dewi Pangrĕnjĕp ngandoeng kawali kantjana, diroepakeun noe keur bobot oemoer toedjoeh boelan; ari karĕp ratoe hajang ngadodja pandita, tjalik bari digedengkeun.

Ajeuna oerang tjarioskeun deui Lengser, datangna ka Goenoeng Padang ngadeuheusan ka pandita. Ari tjeuk Lengser: "doeh, goesti, abdi teh awon doemeuheus," ngan sakitoe oendjoekan Lengser, teu loba-loba tjarita, kawantoe geus kaoeninga koe pandita Goenoeng Padang.

Gantjang bae dipariksa, njaoerkeun niatna Lengser, saoer ki pandita: "soe[ 95 ]koer, kakang Lengser, soemping ka dieu, meureun dioetoes koe ratoe dipiwarang njaoer koering, ari noe matak disaoer, mo gagal moendoet dipangnoedjoemkeun pawarang doea, tatapi eta mah geus tangtoe pisan kabeh bakal boga poetra, ngan handjakal aja bobot saloeareun wewetengan ; enja, kakang, atawa lain?"

„Soemoehoen doeka, goesti mah langkoeng waspaos, abdi mah teu miloe-miloe kana kalakoean awon; soekoe abdi, samboeng lakoe biwir samboeng lemek, derma raga tanpa polah, ngan derma piwarangan."

„Sajaktosna, kakang Lengser, koering disaoer koe ratoe oelahbon marga siang, sanadjan wengi soemangga, tatapi mo ajeuna; kakang geura bral bae, ngan ieu kikintoen sanggakeun ka praboe ratoe, roepi tiloe perkara: kembang malati satjoengtjoeng, koenir sasolor, petak sapotong."

Geus kitoe, lengser teh moendoer barina mawa kikintoen. Teu kotjap di djalanna ; tjatoerkeun geus nepi bae ka pajoeneun praboe ratoe barina njembah koe tjokor.

Barang kitoe, ratoe teh njeuseul sapedah disembah koe soekoe, saoer ratoe: „ai, Lengser, naha sia ngoenghak tjampelak, bet wani-wani njembah koe tjokor, naon sababna?"

Lengser enggal ngawalon, pokna: „beu, goesti, abdi teh njanggakeun bebendoe, sapedah njembah koe soekoe, rasana lain dihadja, raos abdi kalepasan petak loempat tarik teuing, ari datang awak tibalik tojkor njoengoengoeng; soegan montong teuing dibalikan koe leungeun, goesti."

„Beu, ari kitoe mah, Lengser, ditimbang koe aing. Ari pandita mana? Aja atawa euweuh ?"

„Aja teu aja."

„Naha ngawalon teh bet kitoe," kapan aja, kapan teu aja."

„Beu, goesti, noe matak diseboetkeun „aja teu aja" teh kieu: kaajaannana kapendak koe djisim abdi, ari ka teu ajaanana bet teu kapadoeng patjoel koe abdi."

„Naon teu kapadoeng patjoel?"

„Soemoehoen teu kabawa."

„Ari manen mawa naon eta?"

„Soemoehoen ngabantoen kikintoen ti Goenoeng Padang, tapi doeka teuing piroepaeunana mah."

Enggalna koe ratoe toeloej ditjandak sarta diboeka.

Barang diboeka, sidik eusina malati satjoengtjoeng, koenir sasolor, petak sapotong.

Ti dinja Praboe ratoe ngalahir: „Lengser, ieu teu djamak teu moepakat, ngirimkeun roepa kieu ka ratoe ; tatapi mo salah pandita teh njilokaan koe ba- rang kieu roepana, tapi aing hanteu soesah nadjan disilokaan oge, mo boeroeng diroepakeun kitab noe tiloe perkara, indjil, toret, kalawan djaboer.

Oerang toenda noe keur goenem tjatoer praboe ratoe djeung Batara Lengser.

Oerang tjarioskeun pandita di Goenoeng Padang. Niat bade ngadeuheusan ka praboe ratoe, tatapi eta lampahna sok bisa mantjala poetra, geus kolot sok bisa ngora. Ari harita mah pandita keur meudjeuhna tengah toewoeh. [ 96 ]Enggalna ki pandita, ngajadikeun maneh aki-aki, tuluy rĕp sidakĕp sinuku tunggal, emut purwa daksina, purwa iku wiwitan, daksina wĕkasan, bari ngelingkeun ajianana, ajian dadali putih, ĕta jampe paranti leuleumpangan supaya gañcang.

"Aji ku dadali putih,
mangungkung saluhuring kuwung-kuwung,
mangangkang saluhuriang maja gantang,
calik dina tampu angin,
dat sarapat, dat sarapat."

Enggalna kadia kilat datangna ka payuneun ratu.

Geus kitu, ratu teh ningali, ñaur ka Batara Lengser: "Ai, Lengser, ieu aya aki-aki urang mana?"

"Sumuhun pariksa, gusti, eta teh ti Gunung Padang, ña eta pandita tea."

Tuluy ratu ñauran ka pandita: "Eh, ki pandita, bagea, ser ka dieu masing deukeut, diuk sapanglulungguhan."

"Sumuhun pariksa, gusti, nu mawi abdi dumeuheus, wireh ing tina abdi disaur ku kĕrsa dampal gusti."

"Ĕña, nu matak disaur ku urang, kawantu añar pinanggih, jeung deui urang teh dek menta dipangnujumkeun, pedah pawarang urang duanana keur bobot, hayang ñaho pianakeunana awewe atawa lalaki, geura pok, geura sĕbutkeun, montong make diïlo diparimbonkeun, diteang dina kitabna, diïlik dipalar bukti, geura pok bae omongkeun."

"Bo, sumuhun, satimbalan gusti, mundut dipangnujumkeun pawarang, madak-madak kapandukan, ka tuang piuñjuk abdi, eta geus tetela pisan, yen bakal kagungan putra tina pawarang nu dua, samalah pamĕgĕt kabeh."

Geus kitu, ratu teh pusing, sapedah raosna salah, saurna: "Eta salah kacida pandita, nu hiji eta pawarang saĕñana ngandung kawali, nu hiji deui ngandung bokor kañcana; urang teu suka kacida, ayeuna mah ki pandita taur rasa binasa, alamat rek ditĕlasan."

Ratu tuluy narik curiga, tatapi eta curiga kokotak tina sarangka, tapi lain dek teurak, ña eta bĕt edek tobat, ku sabab eta nu kagunganana.

Barang pek diungkulkeun duhung kana patuangan, tuluy morongkol, sumawonna lamun teurak da eta nu kagungan.

Ratu beuki tambah napsu, raosna asa dilawan: "Eh pandita maneh teh ngalawan, dipenta pati teh baha, seg tarung jeung aing, sabaraha taun pĕrang, sabaraha bulan mo burung diladenan."

"Bo Gusti, lain baha, ulah bon sinĕja perang, ngalawan teu pisan-pisan; ari pĕrkawis pati dipundut sumangga pisan."

Barina pandita tungkul ngaluarkeun sukma, lajĕng pandita teh pupus, teu kalawan ditĕlasan.

Geus kitu, ratu teh ñaur ka Lengser: "Eh Lengser, bet matih aing betan pandita, geuning pandita geus paeh."

"Matih pandita manan gamparan."

"Naha kumaha nu matak kitu?" [ 97 ]„Da eta mah bisa njanggakeun pati koe andjeun, gamparan mah tatjan poe- goeh bisa tjara ki pandita."

„Doeh, Lengser, bener tarnen, kami tarima kalah, da kami mah hanteu bisa tjara ki pandita."

Enggalna banoesanana béng bae dibalangkeun ka oeroetna, tatapi barang ragrag bet djadi sedjen roepa, nja eta djadi Naga wiroe eukeur tapa.

Oerang toenda anoe keur tapa.

Oerang tjarioskeun pawarang noe doea tea. Pedahna kawali teh ragrag tina patoeanganana saraoeh bokor kantjana, sabab reuneuh ngagedean.

Geus kitoe, kawali teh ditjandak koe ratoe, dibalangkeun barina sasaoeran: „lamoen ragrag ka sagara, toeroenna ka intjoe poetoe poelo Kawali, moen ka darat katelah tanah Kawali.

Toeloej eta kawali teh ragrag di tanah, mana datang ka ajeuna di Galoeh aja desa ngaran Kawali.

Ari bokor kantjana dibalangkeun deui sarta ragragna di Padang, tanah Soematra.

Noe matak di dinja rea emas, eta kitoe oesoel-asalna.

Barang dina taoen Djim akir, boelan Rajagoeng, tanggal 14, poë Salasa, dina saboeka siang, Dewi Pangrenjep babar, sidik poetrana pameget ; ari paradjina ngaran Nini Marga sari.

Geus kitoe, praboe ratoe toeloej ngadaoeh ngoempoelkeun parabopati sareng parapoenggawa kabeh.

Sanggeus koempoel, toeloej bae nganamaan poetra noe dipedalkeun tea, djenenganana Aria Banga.

Enggalna ger bae pesta, mestakeun poetra tea, langkoeng rame anoe pesta.

Ari pawarang noe hidji deui waktoe harita teu atjan babar.

Ti dinja ratoe ngalahir, njaoer ka Batara Lengser: „hajoe, Lengser, aing iring arek ka sirah nagara ngalajad pawarang aing, koe naon bet tatjan babar."

Bral bae ratoe teh angkat. Barang soemping ka sirah nagara, tetela bet tatjan babar.

Ladjeng bae sasaoeran mariksa ka Naganing Roem: „ai, Njai, naha bobot lila teuing?"

„Noehoen satimbalan goesti, perkawis bobot abdi teh parantos sapoeloeh sasi ieu, tapi teu atjan keneh babar."

„Eh, Njai, wajahna bae."

Tjeuk Naganing Roem bari njoesoetan tji sotja : „doeh, goesti, noehoen sareboe, abdi teh teu atjan babar."

„Eh, Njai, montong dianggo gedag pangkon, gindi pikir, obah niat soegan ka doea, tiloewelasna mah babar, ajeuna mah engkang bae geura siaran."

Enggalna toeloej bae disiaran langkoeng ngeunahna, praboe ratoe samalah ladjeng koelem dina lahoenan pawarang.

Oerang toenda tjarios anoe keur koelem.

Oerang sampeur senggal hideung, parele-parelekeun heula, balikan anoe ka- toekang soekmana pandita ti Goenoeng Padang gawena ngalajang bae.

Geus kitoe, toeroen soekma teh, asoep kana wewetengan njoeroepna ka [ 98 ]moerangkalih, sanggeus kapandjingan soekma, moerangkalih toeloej sasaoeran dina djero wewetengan, ari kasaoeranana: „ama teh kabedil langit, kabentar mega, kalinglap katjida teuing ka pandita Goenoeng Padang, pada hal mah teu boga dosa, geura raoskeun bae, tangtoena ge bakal males, tapi engke dina goeroe poetoe Hjang Bajoe, goeroe poetra Hjang Banga, koe ama geura raoskeun di dinja jen bakal males.”

Enggalna ratoe teh goegah, mariksa bari bengis ka pawarang Naganing Roem, ari pokna: „ai, Njai Naganing Roem, bet bieu aja noe ngomong sapandjang engkang keur koelem, Njai atawa lain?”

Naganing Roem toeloej nangis pedah dipariksa bengis: „adoeh, goesti, abdi njanggakeun bebendoe tikoro abdi gorokeun, djeung soekoe abdi belokeun, abdi mah teu pisan-pisan, soemawonna kaawonan kasaean henteu pisan.”

Geus kitoe, ratoe teh njaoer: „mana kitoe oge Lengser.” Toeloej bae Lengser disaoer: „ai, Lengser, maneh ngomong naon, basa aing eukeur koelem?”

„Doeka, abdi mah teu pisan-pisan.”

Lengser toeloej soesoempahan, pokna: „daek kede ti kentja, djeung daek boetoet boboko, daek oetjoetan sokona, tjinenek daek salamet, kolot bongkok pandjang oemoer.”

Ratoe teh katjida poesing: „ai, Lengser, lampah maneh kawas boedak, kapan maneh teh enggeus kolot, oelah kitoe nja omongan, lamoen soempah masing terang.”

Toeloej Lengser soempah deui, tapi saperti siloka, pokna: „daek boetjitreuk beuteung noe reuneuh meureun.”

Ti dinja kamanah koe ratoe, soempahna Lengser, pek manehna mariksa deui ka Naganing Roem: „ai, Njai, lamoenna kitoe mah, paingan Lengser wani soesoempahan, ajeuna mah noengtik bari njiar boekti, nerka njampak aja mana boektina aja di maneh, geuning boedak ngomong dina djero beuteung, kakara saoemoer hiroep heubeul ngeundeuk-ngeundeuk taneuh, lawas ngendag-ngendag djagat, ajeuna manggih noe kitoe.”

Sanggeus kitoe, ratoe toeloej miwarang ngoempoelkeun parabopati saraoeh djeung toekang noedjoem.

Barang geus koempoel parabopati saraoeh toekang noedjoem, saoer ratoe: „maraneh noe matak disaoer koe oerang, oerang teh rek sembara, tjoba, geura palikiran eta papanggihan aing, aja boedak ngomong dina djero beuteung, hade atawa goreng? Lamoen hade, geura tjaritakeun, soemawonna lamoen goreng.”

Parabopati saraoeh djeung toekang noedjoem kabeh pada saroesah, koe sabab henteu kaharti, ngan aja saoerang mantri, ngaran Mantri anom Banjak Loemanglang, anoe madep ka Sang Praboe ratoe, barina oendjoekan pokna: „perkawis kangdjeng goesti mariksakeun moerangkalih njaoer dina djero patoeangan, eta teh hadening goreng.”

Ratoe toeloej mariksa deui: „eh Mantri, naha kapan hade, kapan goreng, koe oerang hanteu kaharti, naon sababna?”

„Soemoehoen timbalan goesti, mana dibasakeun hade, teroes ratoe pentjar menak, sartana poetra radja, komo teuing oepami parantos babar, meureun baleg perlente paselang bisa bitjara, tjatjakan dina djero wewetengan, sakitoe bisana [ 99 ]njaoer; tah, kitoe noe mawi dibasakeun hade. Noe mawi dibasakeun goreng, sapedah eta teu atjan aja roepana.”

„Bener temen omong maneh, tatapi koedoe oetama, ari dibasakeun oetama nja eta koedoe ragem djeung batoer.”

Geus kitoe, kadangoe koe sadajana, tatapi langkoeng pada saroesah, henteu kaharti keneh, ngan aja djalma saoerang anoe dioekna misah ti batoer, ari djangkoengna eta djalma 250 gas, ari harigoena 25 gas, ngaranna Jaksa Majoeta. Barang ngadenge timbalan ratoe, toeloej bae ngomongkeun ratoe, ari pokna: „eh, ratoe teh bodo katjida, tjoba koe aing ajeuna rek dirantjana.”

Ari pangarahna Jaksa soepaja eta boedak dipitjeun koe praboe ratoe.

Gantjangna Jaksa teh ngadeuheus ka praboe ratoe, sarta ladjeng bae dipariksa koe ratoe, saoerna : „eh, Jaksa Majoeta, rek naon datang ka pajoeneun aing?”

„Soemoehoen pariksa goesti, noe mawi abdi ngadeuheusan, doemeh abdi ngoeping timbalan gamparan, mariksakeun moerangkalih pedah bisa njaoer dina djero patoeangan, ari ajeuna, lamoen pandoek reudjeung goesti, hajoe, oerang ibaratkeun, moerangkalih reudjeung gagadoehan abdi. Abdi gadoeh hidji doehoeng, ngarananna doehoeng sampanan, tapi tepoesanana doehoeng teh dalapan, bet leuwih opat, dibasakeun sri matjala, tjalaketek omongan wanara.”

„Koemaha karepna doehoeng teh Jaksa?”

„Soemoehoen, goesti, monjet njatoe monjet deui, lamoen kagoengan doehoeng kitoe, geus tangtoe bakal ngaroeksak kana salira gamparan.”

Geus kitoe, ratoe teh njaoer barina semoe noe poesing, rasana disilokaän njaoerna ka pawarang noe bobot tea: „aeh, Naganing Roem, ajeuna maneh djeung aing, oerang njieun poë boengsoena, aing mo ngangken rabi, maneh oelah ngangken salaki. Djeungna deui, lamoen boedak geus didjoeroekeun, aing mo ngakoe anak, boedak oelah sina ngakoe bapa”, barina pek ratoe poendoeng indit ti sirah nagara.

Soempingna ka padaleman, pek njaoer ka pawarangna noe ngaran Dewi Pangrenjep, nja eta iboena Aria Banga, saoer ratoe: „beu, Njai, ser ka dieu, masing deukeut, dioek sapangloeloenggoehan, kakang arek njarita, njaritakeun Naganing Roem handeuëul koe pitineungeun. Lampahna si Naganing Roem boga anak bisa ngomong di djero beuteung, tjik, ajeuna mah moenggoeh ing reudjeung tjaroge, baring soepagi mangke geus nepi kana boelanna ngadjoeroe, koe maneh koedoe dilajad, tapi maneh oelah lengoh, koedoe mawa kanagan anoe beunang ngosongkeun djeung mawa malam sing loba. Toeloej koe maneh geura lampahkeun, moen Si Naganing Roem ngadjoeroe, koe maneh matana lampat, nja kitoe deui tjeulina tjotjokan masingna pageuh; djeung lamoen anakna awewe atawa lalaki, wadahan kana kanagan sartana geuat palidkeun ka tjai ngaran Tji-tandoej.”

Geus kitoe, Dewi Pangrenjep ngoeping satimbalan goesti, toeloej bae poetri nangis sasambat ka kangdjeng goesti: „doeh, goesti, abdi hanteu tega teuing noenggang taja kakang embok, rasa abdi lain maroe rasana saderek bae, ti lahir nepi ka batin doenja doegi ka acherat, boeroek-boeroek parahoe djati, hade goreng djeung saderek.”

„Bo, maneh gagal, lamoen kitoe, baha katimbalan menak. Ajeuna mah, oelah [ 100 ]baha, koedoe daek bae, djeung deui: lamoen maneh teu ngagoegoe, kadjeun teuing, aing teu boga pawarang, maneh oge geura indit, oelah rek aja di dieu.” Tatapi poetri teu indit, ngamanahan pilampaheun.

Oerang toenda tjarita poetri djeung radja.

Oerang tjarioskeun Naganing Roem, anoe diseuseul di sirah nagara gawena teh eukeur nangis, malah-malah bobot keur boelan alaeun.

Geus ninggang doeawelas boelan, taoenna di taoen Alif, boelanna ge boelan Moeloed, dina tanggal opatwelasna poëna, poë Djoemaäh, tetela poetri rek babar, njaoer ka eusi boemina, ka noe ngaran Sangkleng Larang, kadoea djeung Timbak Larang, miwarang neang paradji. Enggalna teh eusi boemina rek toeloej neang paradji, tatapina hanteu manggih kawantoe hese katjida paradji ngan aja hidji; kitoe ge geus disoempoetkeun koe iboe Aria Banga ajana di padaleman.

Geus kitoe, eusi boemi Sangkleng Larang beak paideranana, toeloej bae ngadeuheusan ka iboe Aria Banga.

Kotjapkeun geus datang bae. Mando di pajoeneun goesti, poetri; karepna noe ngadeuheusan, eta rek geugeulis panon naroskeun paradji tea.

Dewi Pangrenjep ngalahir: „aeh, emban, arek naon ajeuna datang ka oerang, tara-tara ti sasari tjoendoek roesoeh datang, geura dek naon nja pibedjaeun, palangsiang embok Naganing Roem bade babar.”

Eusi boemi pek ngawalon: „soemoehoen timbalan goesti, lain djoeragan rek babar, babarna mah tatjan poegoeh, doeka tiloe boelan deui, doeka opat boelan deui, naroskeun soteh paradji abdi teh bade sewaka, rek njangtjangkeun istri ka paradji, bisina hese djagana ari rek diala.”

Ari tjeuk Dewi Pangrenjep: „mo teuing, mo bobot sakitoe heubeulna, malah- malah oerang mah basa keur babar teu pisan make paradji, soemawonna Ioba-loba hidji ge teu pisan-pisan,” barina poetri beh dangdan. Geus dangdan, toeloej oendjoekan ka praboe ratoe.

Koe ratoe geus kaïdinan. Enggalna nji poetri indit, leumpang ka sirah nagara rek ngalajad Naganing Roem.

Barang datang, tetela teu atjan babar, toetoej bae sasaoeran noe geulis Dewi Pangrenjep, nja eta ka Naganing Roem, ari pokna: „aeh, embok, koetan teh bet atjan babar?” Naganing Roem toeloej nangis barina sasaoeran: „eh, Njai poegoeh enja, atjeuk teh teu atjan babar, boa-boa poë ieu, da geus sedjen rarasaan; tjop nja beuteung, tep nja tjangkeng, rarotjop bae bobokong, moerangkalih rasana ngaroeang-roeang, merengpeng nja parinikan. Njai, soekoer ajeuna ka dieu, koering teh bade naroskeun da Njai mah enggeus babar, koe saha diparadjian?”

Ari tjeuk Dewi Pangrenjep: „koering basa keur ngadjoeroe da hanteu make paradji, ngan tjoemah kias tarekah, malah-malah tjepil oge ditjotjokan, soepaja henteu ngadenge gandeng, sotja dilampat koe malam, aja teu teloeh baradja ningali getih. Geura, mangga, atjeuk oge oerang kias tarekahan da mo beda tina raraosan koering.”

Prak barina dipaksa, panangan dikatoekangkeun, sartana bari dibanda dihoeroen; koe tjinde kembang ditalian pananganana nji poetri. Djeungna deui, toeloej ngahaneutkeun malam; panas-panas dilampatkeun kana sotja, ditjotjokkeun kana tjepil. [ 101 ]Toeloej Naganing Roem nangis; sasambat-soemambat barina nangis: „tobat, adoeh, panas teuing, sotja koering njeri teuing, tjepil koering abong-abong teuing; abong-abong, maroe, bet euweuh rasrasanana ka noe taja indoeng, taja bapa.”

Demi tjeuk Dewi Pangrenjep: „enggeus, embok, oelah nangis, njeri ge wajahna bae, engke mah oerang laänan, soepaja geus poegoeh babar.”

Barang dongkap kana hidji waktoe siang, brol bae tetela babar, poetrana pameget kasep. Toeloej bae ditegel tali ari-arina sarta diwadahan koe kanagan, dibaoeran deui endog hidji ka djero kanagan tea koe Dewi Pangrenjep. Ari noe tinggal di loear ngan kari santen. Toeloej bae diwadahan koe ajakan djeung bari ditjipta diroepakeun anak andjing, ditoeroeban tjinde kembang koe Dewi Pangrenjep, dianggo ngagentos orok.

Geus kitoe, seg Naganing Roem dikebakkeun bari malam tina tjepil diroeroedan, tina panon dilaän, pananganana diboeka sarta bari popojan pokna: „embok babar teh enggeus, salamet, sarta ieu poetra teh diwadahan, tatapi ajeuna koering amit, rek ka tjai heula, koering koe hareudang, rek mandi sakedap bae.”

Walon Naganing Roem: „soemangga bae, tatapina oelah lila.”

Gantjangna Dewi Pangrenjep toeloej bae ka djamban larangan ka tjai Tji-tandoej.

Barang datang, kanagan toeloej dipitjeun njemproeng di tjai Tji-tandoej. Liwat djamban larangan mipir di Tji-awi tali, kanagan basana palid; dongkapna ka Sapoe angin toeloej njangsang.

Tidinja bet katendjo koe noe keur tapa ajana di Banteng mati, ari ngaran noe keur tapa Raden Himoen Hidajat oellah, poetra nabi Soeleman, lilana anoe keur tapa geus meunang tiloepoeloeh taoen; harita nendjo kanagan keur njangsang di Sapoe angin, prak bae pandita (noe keur tapa) ngaloearkeun pangawasana soepaja Tji-tandoej tjaah; ditepak koe dampal panangan toeloej Tji-tandoej teh leber tjaah.

Pandita toeloej ngadjadikeun boehaja poetih.

Saenggeusna Tji-tandoej tjaäh, datang boehaja ka Sapoe angin. Kanagan toeloej disanggap eta koe boehaja poetih njangsangna di Sapoe angin hilireun Sipatahoenan.

Oerang toenda tjarita boehaja keur njoesoehoen kanagan.

Oerang tjatoerkeun deui anoe malidkeun, djenengan Dewi Pangrenjep, geus moelih ka sirah nagara ka Pohatji Naganing Roem bari toeloej sasaoeran ngadjak moeka moerangkalih, padjar maneh diwadahan koe ajakan barina ngomong: „alah-alah.”

Pokna teh Dewi Pangrenjep: „euleuh, euleuh, embok, matak handeueul teuing koe pitineungeun, handjakal koe piniateun, henteu njana pikir koering ari ras ka moerangkalih iboe poetri rama ratoe, ari boedak siga andjing, henteu njana teuing koering.”

Kadangoe koe noe ngalajad, koe sakoer anoe njaksian, kabeh oge teu per- tjaja sabab paradjina maroe; sadaja euweuh noe ngomong koe sabab miloe handeueul. Ngan aja djalma saoerang ngaranna Sarasah Wajang, nja eta anoe wani ngomong, ngomongna ka Sekar kembang, wantoe pada geureuha patih. Ari tjeuk Sarasah Wajang: „hamo enja iboe poetri rama ratoe, ari boedak siga andjing.”

Diwalon koe Sekar Kembang: „ari maneh kawas noe teu eling ka djangdji [ 102 ]nini paradji; geuning, tjeuk nini paradji, tjeuli teh oelah sadenge-dengena ari lain dengekeuneuna, biwir teh oelah saomong-omongna ari lain omongkeuneunana. Naha, ari ilaing biwir teh djangdji ngagaplok, biwir teh njiroe rombengeun, tjeuli teh tjeuli lentaheun: koemaha lamoen kadangoe koe itoe pawarang ratoe, ilaing tangtoe disiksa.”

Kabeneran teu kadangoe koe eta Dewi Pangrenjep. Ti dinja pek njaoer Lengser pokna: „aeh, Lengser, geuat maneh geura leumpang, geura oendjoekkeun ka ratoe pedah ieu poetrana bleg djiga andjing.”

Gantjangna Lengser ngawalon: „soemangga, djoeragan istri, abdi teh amit doemeuheus.” Bari omongna poen Lengser: „koetan djiga anak andjing poetra teh,” bari toeloej Lengser loempat bade oendjoekan ka ratoe.

Loempat lemboet manggoet-manggoet,
tjongklang leupas mamandapan.
bawaning koe tarik loempat,
kesangna Batara Lengser,
gorolong noe tina tonggong,
sagede boeah bintaro,
baralang noe tina tarang,
sagede boeah tjaroeloek.

Barang dongkap ka tengah djalan. Lengser teh eureun; toengkoel bari maroed, tanggah ngahampelas koedjang. Lengser tjitjing bari mikir, ngomong sadjeroning kalboe; ari tjeuk pikiran Lengser: eh badan kaniaja teuing, pagar maneh boedak siga anak andjing, poegoeh sidik dipalidkeun. „Keun bae”, tjeuk Lengser, „rek didoa'keun bae masingna moeloes rahajoe, soegan bae bisa prihatin djaga ge dikaoelaan. Tatapi koe langkoeng bingoeng koemaha ngoendjoekkeunana, ari rek dioendjoekkeun siga andjing da poegoeh ge lain; eta teh soesah katjida koe sabab rasiah gede. Ah, elmoe toengtoet doenja-siar, gawe paksa, djinah maling sambil bae rasiah oelah kaloear djeung bidjil tina biwir mah, kadjeun bidjil tina gegemboeng, sababna ieu rasiah lain omong-omongkeuneun, tatapi ari ngadeuheusan mah mo boeroeng, sieun dipagarkeun baha kana piwarangan menak, ngan oepama datang mo nembalan bae djeung boeka rasiah mah, anggoer kadjeun diteunggeulan.” Gantjangna Lengser teh loempat tina pangeureunanana.

Teu katjatoer di djalanna da djaoeh mo boeroeng tjoendoek, anggang tan wande datang ka pajoeneun kangdjeng ratoe, mando bari ngadeuheusan.

Enggalna ratoe mariksa: „gebes kadia banteng getem kadia matjan? Aeh, Lengser, maneh tjoendoek roesoeh datang geura, koe boedi kawas noe risi, oelat roepa siga reuas, dek naon?”

Lengser hanteu ngawalonan, toengkoel bari goera-garo.

Ratoe teh mariksa deui: „koe naon, Lengser, teu gantjang-gantjang nembalan, aing mah bet rada bingoeng.”

Lengser tjitjing keneh bae.

Moetoeh hanteu ngawalonan, kaboeroe bae soemping pawarang ratoe, nja eta Dewi Pangrenjep ti sirah nagara. Toeloej bae dipariksa koe ratoe: „aeh, Njai, soekoer pisan ajeuna kaboedjeng soemping, poegoeh akang moetoeh bingoeng, [ 103 ]kataradjang koe kasoesah, keur heran mikiran, Lengser ditanja hanteu nembalan, eta koe naon sababna?”

Ari tjeuk Dewi Pangrenjep: „noehoen sareboe, gerah salaksa, beurat njoehoen, beurat nanggoeng, beurat narimakeun, inja, goesti goeroe dalem agoeng, Lengser teh, noe matak kitoe, sabab keur njandang wiwirang, wirang koe pawarang tea, koe embok agoeng Naganing Roem ngadjoeroena henteu oemoem reudjeung batoer teu moepakat djeung baraja, poetrana bet djiga andjing, tangtoe Lengser miloe era kawantoe Lengser kakasih.”

„Paingan, Njai, Lengser teh dipariksa bet teu nembalan manehna miloe eraeun.”

Kadenge pisan koe Lengser, ratoe nimbalan kitoe sasaoeran djeung poetri, atoeh Lengser seuseurian; indoeng beloet bapa loebang tjakakak noe kahatoeran, pikir Lengser: aing teu dipariksa deui tan wande rahajoe badan, djadi naha lamoen tadi pek ditembalan, ajeuna mah aing atoh.

Geus kitoe, ratoe teh mariksa deui ka eta Batara Lengser: „aih, Lengser, maneh njaho anakna Nji Naganing Roem siga andjing?”

Lengser teh toeloej amitan, hanteu nembalan, api-api rek ka tjai, hajang ngising bari ngomong: „djeung boesiat pajoeneun ratoe mah, mending diïsingkeun heula.”

Tjeuk ratoe: „geura djor, geura modol, indit geura ngising, indit geura ngaweloe, bisi aing baoe.”

Geus kitoe, Lengser teh loempat. Barang datang kana sisi djalan, reg ngahoeleng,

ngahoeroen baloeng koe toelang,
ngagogol kontol koe tjokor,
ngabeulit sirit koe bitis,
ngadjentoel handapeun tandjoeng,
ngadagoan noe ngaliwat,
rek nanja pipoekoelaneun,
soepaja rahajoe badan,
wantoe Lengser eukeur soesah,
soesah sieuneun koe ratoe,
bet djol aja noe ngaliwat,
ewena djeung salakina,
koe Lengser geuat ditanja,
ditjeloek sapedah djaoeh.

Tjeuk Lengser: „hoeh, indoeng sitoeëun, bapa sitoeëun noe ka ditoe, ka dieu, dewek rek nanja heulaän! njaho silaing anak andjing?”

„Njaho batoer oge.”

Lengser loempat deui bae ka pajoeneun ratoe, sapedah geus meunang piomongeun.”

Ari geus datang, pek dipariksa: „geuat, Lengser, aing rek nanja.”

Pek Lengser mando. Tjeuk ratoe: „eta maneh njaho jen boedak teh siga anak andjing?”

„Soemoehoen njaho.”

„Batoer noen, tetela?” [ 104 ] „Soemoehoen, batoer tetela noen.”

„Soekoer tetela mah jen boedak siga anak andjing, indoengna geura telasan. Tah, pedangna, geura bawa si Naganing Roem, geura teukteuk leundjeuran, geura tilas adegan, geura teukteuk beuheungna, hoeloena bawa ka aing, atina tiïr si Naganing Roem koe sabab aing teh geuleuh.”

Enggalna Lengser teh loempat:

loempat sakaloempat-lampet,
barina mamawa pedang,
loempatna njarangka obat,
njoengkedal-njoengkedil,
njigtjrig-njingtjriwilak,
njengtjeregeng bener,
blas ka geusan eureun,
dina loehoer batoe datar,
di handapeun tandjoeng noenggal,
djaoeh sapanjeloek deui,
anggang aja sapamangpeng,
anggangna ka Naganing Roem.

Eukeur eureun, Lengser kataradjang soesah dipiwarang maehan. Lengser teh mo tegaeun ka noe geulis Naganing Roem kawantoe teu boga dosa; malah-malah dipikiran: ah, rek dibedjaan karoenja teuing djoeragan rek dipaehan, padahal teu boga dosa, ajeuna mah anggoer rek dititah tapa; bari toeloej bae loempat.

Datang ka pajoeneun poetri, kasampak keur nangis bae, ari pokna noe keur nangis: „toeloes leboer, toetoeng perah, modar teh dipontrang heulang alamat paeh didjoedjoet deungeun, lamoenna kieu petana, panon poë bidjil peuting, njatjapkeun saboelan biheung, baranang bentang di bale, samar teuing sapiwali alamat raga papisah djeung njawa.”

Tjeuk Lengser: „doeh, goesti, abdi agoeng panoehoen gamparan, oelah rek nangis, abdi teh amoen doemeuheus ka pajoeneun dampal goesti, abdi teh aja pioendjoek, dipiwarang koe sangratoe bade nelasan gamparan.”

Poetri teh banget nangisna: „ach, Lengser, soekoer teuing, sanadjan koering hiroep ge, wiwirang saoemoer-oemoer geus poegoeh lamoen koe ratoe, koe maroe dikaja-kaja, ajeuna rek dipaehan koering teh, soemangga pisan serah njawa, serah pati, lahir batin ikelas, kabina-bina da ratoe anoe kagoengan.”

Lengser toeloej bae tjeurik, bet hanteu daek maehan; ngadenge poetri keur nangis, ari tjeurikna ki Lengser:

„sabendoe-bendoe disoehoen,
sabengkah-bengkah diteda,
abdi teh soemoehoen pisan,
jen dipiwarang tea mah,
tapi abdi teu kadoega,
kawantoe watir ka Goesti,
ari ajeuna sim abdi,
lain pisan rek nelasan,

[ 105 ]

lamoen pandoek djeung gamparan,
ka toeang pioendjoek abdi,
goesti anggoer geura dangdan,
anggoer oerang angkat bae,
ka ditoe ka patamanan,
geura siram ka moeara,
diadjar soesoetji diri,
diadjar leletra badan,
njenen kemis oenggal kemis,
kanaat oenggal djoemaah,
ngalaloe oenggal saptoena,
poeasa oenggal salasa,
nja djoeragan geura tapa."

„Ngalaloe di oenggal minggoe, soegan bae poetra soemping isoek djaganing pageto."

Naganing Roem toeloej nangis bari sasaoeran bae: „doeh, kakang Lengser, soekoer sareboe, koering tan wande salamet lamoenna kitoe petana."

Gantjangna pek bae dangdan barina nganggo bebenting,

taarna dipilas hideung,
barina njandak barera,
toeloej njaoer eusi boemi,
noe ngaranna Sengklang larang,
kadoea djeung Nembak larang.

Toeloej bae Naganing Roem angkat bari diïteuk barera.

Angkatna didjaragdjagkeun,
wantoe noe hoedang ngadjoeroe,
angkat bari leuleuweungan,
sedjana ka patapaan,
diïring koe emban doea,
katiloe Batara Lengser,
sarta nangis sadjadjalan,
ditjindoeng koe tjinde woeloeng,
toengkoel njoesoetan pangamboeng,
tanggah njoesoetan tjisotja,
dongkapna ka patapaan,
Lengser toeloej sasaoeran,
ka noe geulis Naganing Roem.

Ari pokna Kai-lengser: „tah, nja ieu, goesti, patapaan teh; soemangga, geura tatapa."

Demi tjeuk Lengser: „soemangga, goesti, koe abdi didoa'keun moega sing loeloes rahajoe djeung deui masing salamet."

Gantjangna Lengser teh amit rek balik ti patapaan, loempat ka sirah nagara kaoeroet poetri babar. Barang kasampak noe siga andjing tea diwadahan koe ajakan, koe Lengser toeloej diboeka, sarta Lengser toeloej ngomong barina baba[ 106 ]njolan: „euleukeudeuheu bedog, soemoer katoeroeban njiroe, balegbreg ragrag ka para, saoemoer kakara nimoe ngadegdeg bari kakara. Koetan andjing siga kitoe, padahal ieu teh santen, lain andjing saenjana," bari prak bae diboeang. Koe Lengser teh dialoengkeun sarta barina disapa, tjeuk Lengser: „moega-moega masing djadi pamoendjoengan andjing Galoeh."

Ana ragrag andjing teh ka Bodjong Galoeh—mana nepi ka ajeuna aja pamoendjoengan andjing Galoeh, eta kitoe asalna.

Geus kitoe, Lengser teh soesah, rek balik, isin koe ratoe kawantoe dipiwarang nelasan Naganing Roem henteu toeloes, malah-malah, tjeuk ratoe mah, koedoe kabawa sirahna, akir-akir teu toeloes, tah kitoe noe matak soesah.

Tjeuk Lengser: „koe naon digantianana mastaka djoeragan istri? Ari rek oengah-engoh lengoh, mo pihadeëun da geus saperti: neukteuk tjoeroek dina pingping, tamiang meulit ka bitis: malindes, ratoe teh meuntjit ka dewek."

Eukeur kitoe, doemadakan aja liwat djalma paroelang ti leuweung, tatapina henteu lengoh wantoe noe balik ti leuweung aja noe narik, hoeroenan soeloeh djeung noe mawa kompetan daoen.

Koe Lengser pek diawaskeun, ari geus tetela awas, koe Lengser didangding dipake omongan ka ratoe. Tapi Lengser ngomong deui: „eh, lain kolot kakara sapoë, elmoe da geus ngandoeng, pangawasa enggeus ngantongan, pangareti enggeus ngeusi."

Ngadjoegdjoeg ka padaleman, ka praboe ratoe tea, sedja rek ngabohong.

Teu katjatoer di djalanna, tjatoerkeun geus nepi bae ka pajoeneun ratoe Galoeh.

Datangna onggeng angglekeng, laj mando njembahna koe tjokor. Atoeh ratoe teh njeuseul ka Lengser da disembah koe tjokor: „ih, batjot! loekak djapakan temen, maneh teu ngadab, naon sababna mana wani-wani njembah koe tjokor ka aing!"

Tjeuk Lengser: „doeh, goesti, njoehoenkeun bebendoe, bobot pangajon, timbang taradjoe, hoekoem adil pangadilan, sadaja aja di goesti. Noe matak njembah koe soekoe, abdi teh kapoekoel bingoeng, kataradjang koe soesah pedah timbalan gamparan abdi teh koedoe maehan poetri."

Toeloes atawa henteu?"

„Hoeroen soeloeh, kompet daoen, tarik balok, geredeg ka tegal eurih."

„Koemaha geus kitoe?"

„Goesti langkoeng oeninga da aja omongan: tjirining wong ngamaling tandaning wong ngadjinah, ngatjir bae kembang eurihna."

Ti dinja teu lila, tjeuk Lengser: „hoeroen soeloeh, kompet daoen, tarik balok, deregdeg dibawa ka tegal koneng, kagoengan gamparan kembang lampoejang, tongtak saradat, bras broel pake ngatjar akar tangkal poetjoek daoen, kembang koneng wawadoelan."

Tatapi ratoe teh mariksa deui bari goemoedjeng, sapedah omongna kitoe saoerna: „kajoengjoen teuing silaing bisa maehan."

„Soemoehoen, bisa koe tjatoer, noen."

„Koemaha geus kitoe?"

„Teu lila hoeroen soeloeh, kompet daoen, tarik balok deregdeg dibawa ka Bodjong [ 107 ]Galoeh, ari datang ka dinja, djoeragan langkoeng oeninga da lain enggon djelema.”

„Na, enggon naon?”

„Soemoehoen, enggon siloeman, reudjeung sileman; malah-malah pada ngomong sileman reudjeung siloeman teh kabeh kadenge koe abdi.”

„Ngomongkeun naon siloeman teh, Lengser?”

Tjeuk Lengser:

„ngenta soengsoem, ngenta baloeng,
ngenta oerat, ngenta lamad,
ngenta daging reudjeung getih,
ngenta koelit reudjeung boeloe.”

Djadi bolampar abdi ngoeroes mastakana reudjeung atina; lah! oepadi eta mah djoerig tjokekek, ana njotjo bari njekek, njotjona ka boedjoer dewek; ngan geledeg bae abdi loempat.”

Saoer ratoe: „eh, Lengser, kadjeun teuing teu kabawa oge hoeloena si Na- ganing Roem; sok moen maneh bae oelah paeh, teu dihakan siloeman ge bara-bara; tapi aing ajeuna rek nitah deui.”

Djawabna: „soemangga, goesti rek nimbalkeun naon?” Tjeuk ratoe: „ieu, Lengser, poetra aing ngan sahidji djenengan Aria Banga, ajeuna geura pestakeun. Maneh, Lengser, geura leumpang parentah gagaman saraoeh djeung panajagan, sakabeh parabopati, oerang njieun soekan-soekan mestakeun poetra aing.”

Gantjangna Lengser teh loempat ti pajoeneun kangdjeng ratoe; teu katjatoer di djalanna.

Tjatoerkeun geus nepi bae ka aloen-aloen sewoe tjengkal, di dopang waringin soengsang, Lengser nakol bende, ngoengkoeng di aloen-aloen.

Geus kadangoe koe sadaja, tetela jen sora bende noe nakolna Kai-lengser.

Boeroedoel ti tebeh kidoel,
kampoengan paratoemenggoeng,
bawana tjaloeng djeung angkloeng,
saratoes djeung limapoeloeh,
lagadar djoeraganana,
boeroedoel oemboel-oemboelna,
ngagoeroeh ka aloen-aloen,
earna ti tebeh wetan,
kampoengan ti parademang,
bawana pentja djeung wajang,
lagadar djoeraganana,
ngadjadjar toekang baksana,
saratoes djeung limapoeloeh,
ngabengbreng ti tebeh kaler,
kampoengan ti pararaden,
bawana topeng djeung ronggeng,
sor deuï ti tebeh koelon,
kampoengan parakaliwon,

[ 108 ]

bawana reog djeung barong,
ngagoeroeh ka aloen-aloen,
ngempoer djeung bandera woengoe,
tjitjiren nagara ratoe,
ngelewir bandera beureum,
tjitjiren teuneung ka getih,
menak taja kasoesahna,
eukeur ngalampahkeun pesta,
di nagri Galih Pakoean,
ratoe euweuh kaboetoehna,
moesoeh noe diajoeh-ajoeh,
badjo noe didago-dago,
badjag noe diamba-amba,
kereta dipaliaskeun,
kitoe lampah praboe ratoe,
mestakeun poetra sahidji,
djenengan Aria Banga.

Toenda heula tjarita ratoe keur pesta.

Oerang tjaritakeun deui noe dipalidkeun tea, diwadahan koe kanagan, disoesoehoen koe boehaja, njangsangna di Sapoe angin.

Tjai ngaranna Tji-tandoej, tatapi hilireun kanagan bet aja leuwi ngaranna Leuwi Sipatahoenan. Di dinja aja noe keur naheun badodon oerang lemboer Kalipoetjang, ngaran Aki Nini balagantrang, gawena toenggoe badodon.

Tapi Nini langkoeng kaget njeueung Tji-tandoej tjaäh ngalimpas badodon; malah-malah Nini ngomong, pokna: „euleuh, Aki, naha tjai teh gede-gede teuing, koemaha badodon oerang datang ka henteu katembong, koemaha lamoen seug palid?”

„Iding, Nini, atoeh heueuh.”

„Koe naon noe matak tjaah?”

„Gede tjaina.”

„Oelah kitoe, Aki, kapan aja basa: rempoeg djoekoeng, peunggas tihang lajar, bobo sapanon, tjarang sapakan, euweuh deui ngan ewe sareng salaki; ajeuna mah, hajoe! oerang balik bae.”

„Atoeh, Nini, geura dangdan.

Prak nini-nini dangdan:

disamping djoelat-djaletong,
karembong batik manjingnjong,
bari ngais-ngais endong.

Nja kitoe deui Aki prak dangdan:

njanjoren koedjang pangarang,
bari ditjalana ginggang,
badjoena ge badjoe halang,
bari njoren kodja rendang,
geura nam Nini ti heula,

[ 109 ]

kodjengkang Aki noe leumpang,
ringkik Nini ti pandeuri,
ketroek bari koendang iteuk,
tongkro-tongkro sadjongdjongan,
dina leuweung sakeukeudeung,
dina lebak sabengbatan,
djlog datang ka Kali poetjang.

Pok Aki ngomong: „dala kadalah, ieu lemboer oerang.”

„Atoeh enja; hajoe! Aki, da geus datang, oerang mepes kesang nambaan palaj, oerang eureun tjape bari sare.”

„Heug, Nini njanghoeloe ngidoel, aing noe njangirah ngaler.”

„Ih, oerang papais-pais paraj.”

„Anggoer oerang paadoe hoeloe, aja haneut.”

Reup bae Nini sare reudjeung Aki.

Toenda heula tjarita anoe keur sare.

Katjaritakeun kanagan anoe keur njangsang, njangsangna dina badodon, ajana dipatimoean.

Geus kitoe, toeloej kaimpi koe noe eukeur sare tea; kaimpina koe Nini balangantrang nendjo srengenge bari ngalahoen boelan; ari impian Aki, Aki ngimpi nendjo tjahaja di dasar tjai gedena, sagede boeah baligo.

Geus kitoe hoedang Nini djeung Aki.

„Aeh, Aki, geura hoedang kaoela teh bieu ngimpi.”

„Ngimpi naon, Nini?”

Nini teh toeloej nembalan: „kapan ngimpi nendjo srengenge djeung ngimpi ngalahoen boelan.”

„Soekoer, Nini, bakal papanggih djeung redjeki anoe gede.”

„Redjeki ti mana, da oerang teu dagang teu lajar, naon lantaranana?”

„Kapan mah orang teh naheun badodon geus tangtoe redjekina bakal ti dinja.”

„Atoeh hajoe! Aki, oerang teang badodon teh.”

„Poëk, Nini, kawantoe ieu ti peuting.”

„Kadjeun teuing poëk mah, oerang mawa obor bae.”

„Leueur, Nini, da hoedjan.”

„Oerang mawa iteuk bae.”

„Hajoe! Nini, oerang dangdan.”

„Geus kitoe, toeloej laleumpang Nini djeung Aki; tengah peuting inditna.

Barang datang kana handapeun kepoeh noenggal, dikira djanari leutik, eureun Nini reudjeung Aki. Keur eureun, Nini teh seug nendjo kana badodon. Geus kitoe, katembong koe Nini aja kanagan dina badodon.

„Itoe naon, Aki, montjorong bet semoe hedjo?”

„Boa-boa mata meong.”

„Adoeh, Aki, boa enja sarta semoena hoeroeng.”

„Tjing, Aki, koe Aki geura parantjahan ti kadjaoehan.”

„Heueuh, Nini.”

Toeloej koe Aki diparantjahan, ari pokna Aki: „tjik, lamoen aja djoerig [ 110 ]njiliwoeri, bisi aja setan toemaroempang, lamoen djoerig koedoe obah, lamoen redjeki koedoe tjitjing.”

Geus kitoe kanagan teh toeloej obah, disoendoel koe boehaja poetih.

Katendjo koe Aki kanagan teh bet obah, tjek Aki: „adoeh, djoerig Nini, da obah.”

„Atoeh enja, Aki, ajeuna mah oerang balik bae.”

„Geura pek, Nini, koedoe ti heula nja leumpang.”

Toeloej Nini leumpang gantjang, Aki leumpangna pandeuri. Geus kitoe, Nini kadoepak koe Aki, datang ka laboeh pisan; toeloej Nini teh tjeurik.

Tjek Nini bari tjeurik: „teu hajang teuing aing didoepak, datang ka laboeh, ajeuna mah, aing teh geura serahkeun, aing bere talak tiloe ka Aki, da bongan Aki teh ngadoepak datang ka laboeh.”

„Aeh, Nini, oelah kitoe, Nini teh bisi doraka, oelah waka menta talak, talak teh aing noe boga, koe Nini oelah dipenta; ajeuna mah, anggoer geura oerang padoe.”

„Madoekeun naon Aki?”

„Madoekeun lampah salah mana, salah Aki atawa salah Nini, tjeuk aing mah, Nini, geuning saroea salahna.”

„Na koemaha, Aki, dibasakeun saroea salahna.”

„Kieu, Nini, kasalahan Nini, bongan Nini teh loempat ti heula kendor teuing, ari kasalahan Aki, bongan Aki loempat pandeuri tarik teuing, djadi geus saroea salahna.”

„Aeh, bener Aki, oerang saroea bonganna, ajeuna mah oerang silihtimbang bae, djeung deui oerang balikan deui anoe katembong tadi tea noe aja dina badodon, soeganna enja redjeki.”

„Atoeh nam, Nini, ti heula.”

Emboeng, Aki, koela ti heula, sieun setan.”

„Pandeuri atoeh.”

„Pandeuri ge emboeng, sieun djoerig.”

„Bet koemaha kahajang, Nini?”

„Kahajang koela, Aki leumpang teh bari ngarendeng bari dikaleng nja beuheung.”

„Ari, Nini, bet ngongoraeun, hajang leumpang rerendengan.”

„Aki, lain ngongoraeun, aja pangarah kaoela, ari leumpang ngarendeng mah, laboeh oge meureun bareng, henteu oerang bareng, djadina meureun saroea salametna diri oerang.”

Geus kitoe, Aki teh toeloej ngaleng beuheung Nini bari leumpang gagantjangan.

Hanteu kotjap di djalanna; kotjapkeun datangna bae.

Datangna kana badodon, geus kitoe, toeloej katendjo aja kanagan dina badodon:

„Dalah, Nini, kabeneran aja, kanagan aloes ajana dina badodon.”

„Atoeh soekoer, Aki, ajeuna mah, geura tjokot njatana redjeki tea.”

Koe Aki toeloej ditjokot barina ngomong: „heh, ieu, Nini, tampanan kanagan tetela emas, tatapi njao eusina.”

„Atoeh, Aki, oerang boeka bae ieu kanagan, hajang njaho di djerona.” [ 111 ]„Oelah, Nini, sebab ieu lain banda oerang pribadi, kawantoe oerang teh nimoe.”

„Na, koemaha atoeh, Aki, mana wet dikoretkeun koe Aki.”

„Hih, Nini, lain dikoretkeun, ieu kanagan koe aing eukeur dipikir heula. Mending-mending lamoen banda sadrah, koemaha lamoen bok banda beunang rampog, saperti beunang maling, ibarat beunang ngabegal. Engke-engke, lamoen koe oerang diboeka, kaboeroe datang noe boga, geus tangtoe bakal tjilaka, geuning tjek babasan temah: noengtik lari njiar boekti, nereka njampak njomana djadi kakeureut koe sieup, kasipat koe bener, katindih koe kari-kari. Kari-kari oerang teu boga noe kieu, engke-engke keur diboeka, djol datang noe boga, djadi katempoehan boentoet maoeng; geus tangtoe oerang teh meureun tjilaka.”

„Aeh, Aki, bener temen omong Aki, ajeuna mah, da oerang sieun kaboeroe koe noe boga, kanagan teh, hajoe! oerang bawa ka noe anggang, entong balik ka lemboer oerang noe matoeh, oerang bawa ka leuweung bae.”

Toeloej dibawa koe Aki djeung Nini kanagan teh; dibawana silihgenti.

Teu kotjap di djalanna; kotjapkeun datangna bae.

Datang ka hidji goenoeng ngaranna Boender rarang di poentjak Bodjong Kerentjeng, di dinja toeloej areureun, Aki teh djeung Nini, di handapeun tangkal kopo, bari Nini toeloej ngomong.

„Kanagan teh, hajoe! Aki, oerang boeka.”

„Oelah waka, Nini, rek nendjo heula nagara tina loehoer tangkal kopo.”

Tjat, Aki teh naek kana tangkal kopo tea, malah-malah kopo teh datang ka tjondong ditaekan koe Aki Balangantrang.

Bari Aki toeloej ngomong: „bet djaoeh ka nagara Galih Pakoean, Nini, ieu ti dieu ti lebah oerang.”

„Soekoer, Aki, djaoeh mah, tatapi eta kopo teh wani datang ka tjondong koe Aki ditaekan.”

Bari toeloej disapa tangkal kopo koe Aki, tjeuk Aki: „moega-moega troes ka intjoe poetoe, ka anak oerang sadaja, ieu tangkal kopo oelah dek aja noe lempeng, sabab oeroet aing naek ngaranna oge Kopo tjondong kamadengdang.”

„Heueuh, Aki, ajeuna mah kanagan teh oerang boeka.”

Engke, Nini, koe oerang rek ditoedjoem heula ieu pieusieunana.”

„Dieusi naon?”

„Hih, Nini, mo gagal ieu teh dieusi oeang, lamoen kitoe, aing mah rek dibeulikeun bae kana sapi kana moending. Ari Nini rek meuli naon?”

Aing mah rek meuli samping djeung karembong.”

„Oelah, Nini, oelah dibeulikeun henteu poegoeh,” bari Nini ditampiling koe Aki.

Malah-malah Nini datang ka tjeurikna, bari toeloej Nini ngomong: „njeri teuing pipi aing ditampilingan koe Aki, naon dosa koela, dosa anoe djadi matak?”

„Bongan bae, oeang gede-gede dimoehak-moehak.”

„Atoeh salah, Aki, oelah waka nampilingan, djadi mareboetkeun baloeng tanpa eusi.”

Enja, Nini, djadi aing noe salah, ajeuna mah geura toedjoem.”

„Euh, Aki, kanagan geus tangtoe dieusi boedak.” [ 112 ]Geus kitoe, toeloej diboeka koe Nini, tatapi teuing koe pageuh kawantoe kanagan disosi.

„Aing mah, Aki, teu bisa moeka sabab ieu teh disosi; tjing, soegan koe Aki bae.”

Pek koe Aki diboeka; barang diboeka di djerona tetela dieusi boedak djeung aja endog hajam sahidji.

„Dala kadalah, Nini, bet Nini noe kabeneran noedjoem teh tetela pisan, ieu teh dieusi boedak.”

„Kadieukeun koe aing rek ditampanan.”

Toeloej koe Aki dibikeun.

„Keun bae endog mah, montong ditjokot, ieu bae boedak.” Bari toeloej koe Nini boedak teh diïlikan, sidik boedak teh lalaki sarta kasep mani tembong tjahajana saoepama boelan bae. Tapi koe Nini ditjeungtjeurikan sabab boedak matak watir awakna pinoeh koe getih.

„Adoeh, Aki, geura ngala tjai keur ieu ngebakkeun boedak.”

„Heug Nini.”

Gantjangna Aki leumpang neangan tjai.

Sabot Aki dangdan, moerangkalih keur dilahoen koe Nini, toeloej boedak teh kokolosodan soekoe boedak nintjak batoe.

Tina oeroet nintjak tea bet bidjil soemoer doea ngarendeng tina djero batoe tea.

„Aki, entong toeloes leumpang, geuning ieu aja tjai; ngadak-ngadak aja soemoer.”

„Soekoer, Nini, eukeur mah aing teh emboeng ngala tjai teh, sangeuk djaoeh, ajeuna bet aja, mana kitoe ge perwatek moerangkalih, ajeuna mah hajoe! oerang mandian.”

Pek bae dimandian koe doeaan silihgenti.

Sanggeusna dimandian koe Aki, toeloej diajoen dina tangkal kopo tea, bari silihgenti Aki reudjeung Nini kakawihan kieu pokna:

„nelengnengkoeng asep,
nelengnengkoeng geura ageung,
oedjang geura ngapoeng,
geura ngapoeng teh ka lebah loehoer,
tingali nagara tea nagara Galih Pakoean.”

„Oelah kitoe, Aki, boedak teh masih keneh diajoen, geus dititah ngapoeng- ngapoeng, palangsiang ari ageung mah ninggalkeun ka oerang.”

„Atoeh pek koe Nini geura ajoen.”

Pek koe Nini diajoen, ari pokna:

„nelengnengkoeng djoeragan, nelengnengkoeng,
geura ageung djoeragan geura djangkoeng,
geura pakajakeun indoeng,
geura kemploeng mapas liwoeng,
tjeplak geura mabakan.”

„Hih, Nini, oelah dikitoe eta moerangkalih lebar, oelah dititah mabakan, aing oge tatjan weleh njieun lemboer.” [ 113 ]„Hih, Aki, saoepamana, engke geus gede.”

„Kadieukeun, koe aing rek diajoen deui.”

Pek deui koe Aki diajoen ari pokna:

„satadi deui bae nepi ka ngapoeng,
geura leumpang ka Goenoeng Padang,
geura sileungleumkeun endog,
ka Naga Wiroe keur tapa,
ajana di Goenoeng Padang.”

„Aki, oelah kitoe, eta boedak oelah dititah ka Goenoeng Padang, bisi toeloej ka Pakoean, kaoela meureun leungiteun.”

„Heg bae, atoeh Nini, ajoen deui koe Nini.”

Pek koe Nini diajoen bari kakawihan bae, pokna:

„nelengnengkoeng djoeragan, nelengnengkoeng,
geura ageung djoeragan geura djangkoeng,
geura pakajakeun indoeng,
geura kemploeng mapas liwoeng,
geura kemplang mapas djalan,
tjeplak geura mabakan,
geura toeloej asep leumpang,
bari leumpang mawa hajam,
pantesna asep rek ngadoe hajam,
ka nagara Galih Pakoean.”

„Oelah kitoe, Nini, eta boedak oelah diwarah ngadoe hajam, anggoer kadieukeun, koe aing diajoen deui.”

„Top Aki, koe Aki geura ajoen.”

Pok deui dikawihan, bari ngajoen-ngajoen boedak pokna:

„geura sare meungpeung sore,
geura tibra meungpeung beurang,
djaga mah oerang soesoempit.”

„Oelah kitoe, Aki, oelah kadjongdjonan teuing ngajoen-ngajoen boedak. Ajeuna mah oerang bawa pindah deui, bisina kaemper-emper ka nagara Galih Pakoean, tangtoe tjilaka sabab oerang saoemoer teu boga anak.”

„Aeh, heueuh, Nini, atoeh, hajoe! ajeuna mah oerang bawa pindah tea.” Toeloej boedak teh koe Nini diais, koe Aki diïringkeun ti pandeuri.

Teu kakotjap di djalanna; kotjapkeun datangna bae ka leuweung, ka Geger soenten.

Ari datang, Nini toeloej ngomong: „Aki, oerang teh, da geus datang, Aki koedoe njieun lemboer di dieu di Geger soenten, sabab oerang boga anak koekoetan.”

Gantjangna pek Aki njatjar, dek njieun lemboer babakan.

Sabot aki-aki njatjar, moerangkalih dipepende handapeun gintoeng gorowong, bari Nini kakawihan:

„pependekong, pependekong,
dipepende bari dipengkong,

[ 114 ]

disimboetan koe karembong,
handapeun gintoeng gorowong,
oerang sare, asep, reudjeung nini ompong.”

Moerangkalih gantjangna teu daek sare, sanadjan dipepende oge, malah-malah anggoer tjeurik, barina ngomong bae.

Ari pokna: „dangoekeun, Nini, geura dangoekeun peupeudjeuh djeung oelah henteu sasakit djeung geuna-geuna, poma reudjeung pisan-pisan koe Nini geura dangoekeun, sabab koering aja dina leuweung kieu; ari koering saha nja iboe nja ramana?”

Tjeuk Nini: „djoeragan, poma oelah mariksakeun iboe, oelah mariksakeun rama, sabab iboe teh nja ieu, ari rama kapan itoe anoe njatjar.”

Tjek boedak: „lain kapan ieu man ema nini, ari itoe anoe njatjar ema aki.”

Ti dinja koe Aki toeloej kadenge, sabab boedak teh keur tjeurik, aki-aki toeloej loempat tina tempat noe ditjatjar, njampeurkeun barina ngomong, pokna: „naha, Nini, boedak teh sina tjeurik bae. Naha, koe Nini teh diteunggeulan atawa ditjiwitan? Oelah kitoe, Nini, aing mah karoenja pisan!”

„Hih, Aki, teu dipeupeuh, teu diteunggeul, teu ditjiwit-tjiwit atjan; tjeurik soteh boedak mariksakeun iboe rama, malah-malah koela geura toeloengan sabab teu bisa ngoepahan.”

„Atoeh kadieukeun, koe aing dek dioepahan.”

Pek boedak teh koe Aki dipangkoe-pangkoe barina ditanja bae.

„Koe naon, neng, noe matak nangis; eneng teh palaj naon?”

„Hih, Aki, koela lain hajang barangdahar, hajang soteh njieun lemboer, tatapina djieun koela sorangan.”

„Oelah waka, palaj njieun lemboer, wantoe asep masih leutik keneh.”

„Kadjeun, Aki, ari ditjarek mah dek njieun lemboer sorangan, ajeuna mah koela geura pepende bae sabab koela hajang sare.”

Pek koe Nini djeung koe Aki boedak teh bari dikeukeupan handapeun gintoeng gorowong; toeloej Nini reudjeung Aki sare.

Tatapina eta boedak henteu daekeun sare nadjan dikeukeupan oge, wantoe-wantoe eta boedak enggeus kapandjingan soekma, manan sare anggoer doemadakan eling kana sirep.

Prak Aki djeung Nini disirep; geus kitoe, tibra heësna Nini djeung Aki.

Ari boedak toeloej hoedang bari ngomong ka noe eukeur sasarean.

Ari pokna: „ema Aki, ajeuna koela amit, dek ngalampahkeun piwoeroek bareto. Basa diajoen, koering dipiwarang ngapoeng koe Aki, ajeuna dek dilampahkeun.”

Aki henteu daekeun nembalan da sasarean.

Gantjangna moerangkalih teh toeloej ngapoeng:

beuki loehoer pangapoengna,
tarik batan mimis bedil,
paboeroe-boeroe djeung manoek,
paheula-heula djeung heulang,
pahiri-hiri djeung geuri,

[ 115 ]

kalampoedan koeöeng-koeöeng,
kalampatan mega bodas.

Datangna ka madja gantang, pek moerangkalih eureun bari ningalian noesa tigang poeloeh tiloe, bangawan sawidak lima.

Sanggeus katingali aja nagara, nja eta nagara ramana tea, nagara Galih Pakoean. Malah-malah aja noe katingali pisan di boeroean padaleman tetela moerangkalih Aria Banga keur diasoeh koe pertoemenggoeng, diaping prabopati, dipirig koe tatabeuhan wantoe poetra ngan sahidji.

Sanggeusna katingali koe moerangkalih, toeloej mikir barina pek sasaoeran ari pokna: „geuraheun teuing anoe kagoengan iboe rama moerangkalih wani diasih koe paratoemenggoeng, dipirig koe tatabeuhan. Ari seug diri sorangan, djelema kateler-teler, dioek dina batoe semper; soegan bae djaga mah kaemper-emper.”

Sanggeus kitoe, moerangkalih teh ningali deui ka handap, ningali Nini djeung Aki eukeur sare tibra pisan. Bari toeloej dipisaoer koe moerangkalih di loehoer, saoerna: „karoenja teuing, koe Aki djeung Nini abong sare beunang njirep taja pisan kaelingan, wani tjeulina pinoeh koe peuti, panon dilampat koe sireum, palangsiang matak doraka. Hajang teuing bisa moelang tamba ka Aki djeung ka Nini, dek diadjar njieun lemboer, tatapi hajang oelah kalawan koe anggahota, palangsiang mo bisa, lamoen teu kabawa koe anggahota.”

Tatapi keur mikir kitoe, toeloej bae moerangkalih kapandjingan koe soekma tea, prak bae moerangkalih njipta babakan di Geger soenten; doemadakan aja bae lemboer aloes pisan.

Geus kitoe, moerangkalih toeloej toeroen balik kana lemboer tea; teu katjatoer di djalanna; gantjangna, geus datang bae.

Barang datang, Aki kasampak masih keneh sasarean reudjeung Nini.

Nini djeung Aki digeuingkeun, toeloej bae hararoedang.

Barang ningali nini-nini geus aja lemboer, henteu njana jen beunang moerangkalih njipta, nini-nini toeloej tjeurik barina nanja ka Aki, ari pokna: „Aki, kaoela koe langkoeng heran mikiran ka moerangkalih, tadi-tadi dipepende, ajeuna njaritakeun datangna ti mega malang djeung ieu bet aja imah. Naha, ieu lemboer saha, mana aloes-aloes teuing; palangsiang djol noe boga, oerang daek-daek leboer toetoempoeran, paeh dipontrang heulang, didjodjo wet deungeun, sabab ieu lemboer saha?”

„Aeh, Nini, montong dipake heran sangeunah sabab ieu aja lemboer dadamelan moerangkalih, koedoe eling, Nini teh, ka basa katoekang, geuning basa eukeur ngajoen moerangkalih teh diwarah koe Nini nitah: kemploeng mapas di alas titah mabakan koe Nini. Ajeuna geus aja boekti, aja lemboer aloes pisan, nja ieu noe boga djieun njata teh moerangkalih.”

„Aeh, Aki, teu njana teuing, moerangkalih keneh, bet geus bisa njieun lemboer. Atoeh, ajeuna mah noehoen sareboe, gerah-gerah salaksa, beurat njoehoen, beurat nanggoeng, beurat narimakeun inja.”

„Ngan perkawis ajeuna asep meudjeuh, oelah angkat-angkat deui, da enggeus rioeng moengpoeloeng, aja Nini, aja Aki reudjeung djoeragan.”

„Mo ajeuna mah, Eni, sasemet ajeuna katoekang kahareup mah koemaha deui [ 116 ]da adatna koedoe njaba, ngan ajeuna koering ka Eni aja panoehoen, koering teh koe hajang hajam djago atawa bikang, lamoen diajaän hajam, hate koering meureun soeka.”

„Aeh, asep, Eni mah teu boga hajam.”

Bari Nini toeloej poesing, ngomong njarekan ka Aki, pedah moerangkalih aja pepentaanana.”

Ari pokna: „Aki, oelah sok tjitjingeun, ajeuna, djig, geura leumpang, Aki geura njiar hajam, sartana koedoe meunang. Lamoen Aki henteu meunang, koela geura serahkeun bae, koela geura talak tiloe, nadjis aing katjitjingan, henteu soeka kaäjaän, geura djor moen geura mantog!”

Aki anggoer seuri: „aeh, Nini sakeudeung-keudeung serahkeun, abong-abong nja bikang, biwir sok njiroe rombengeun, tjeuli sok tjeuli lentaheun, pagawean ngan ngetjebrek. Ajeuna mah, oelah kitoe, oerang teh dek leumpang bae.”

Bari toeloej Aki dangdan.

Amitan ka moerangkalih, ari pokna: „djoeragan, hatoeranan intjoe boeboe paranakan sair bintjang, ajeuna teh, Aki amit rek njiar hajam tea.”

„Montong waka leumpang, Aki, da geuning bareto aja endog di djero kanagan; ajeuna mah, tjik, geura tjokot koe Aki.”

„Aeh, djoeragan, adoeh enja bareto teh aja endog, palangsiang djadi kotok bongkok katjingtjalang.”

„Mo, Aki, ajeuna mah tjokot bae.”

Top koe Aki ditjokot di djero kanagan tea, bari toeloej disanggakeun koe Aki ka moerangkalih.

Ari pokna: „soemangga, djoeragan, ieu endog teh, ajeuna dek dikoemaha da endog teh ngan sahidji?”

Ari tjek moerangkalih: „ajeuna mah endog teh rek dibawa bae leumpang ka Goenoeng Padang, kapan bareto oge, tjek Aki, aja Naga Wiroe eukeur tapa di Goenoeng Padang. Ajeuna dek dideuheusan koe koering, soegan bae kersaeun njileungleuman endog tea; koe koering rek diteda poeroenna.”

Tjek Aki : „nja, mo boeroeng daekeun.”

Gantjangna moerangkalih toeloej leumpang bari njandak endog hidji.

Teu katjatoer di djalanna; kotjapkeun datangna bae.

Toeloej bae ngadeuheusan bari pioendjoek sakali ari pokna: „agoeng-agoeng bebendoe, Naga, abdi njoehoenkeun paidin doemeuheus ka kersa Naga.”

Naga toeloej bae moeni, tapi omonganana hanteu beres tjara oerang, ngan oekoer bisa njeboetkeun „kok.”

Pok deui bae moerangkalih ngawalonan: „anoe matak ngadeuheusan, koering hajang dipangnjileungleumankeun endog hidji, sartana koedoe megar.”

Tjek Naga: „kok.”

Pok deui ngomong moerangkalih, ari pokna: „opatpoeloeh poë koedoe bae bisa megar boeloena sore-isoekeun, isoek-isoek koedoe roepa poetih koening radjeg wesi, dengdek lohor koedoe djadi koelawoe santoel.”

„Kok,” tjek Naga.

Tjek moerangaalih: „djeungna deui, pamatoekna tegoeh rahajoe, djawer aprak [ 117 ]toela bela kantjana, babaloengna, wesi koening poerasani, koelitna dingding besi keling, koetoena koe wadja djepoen, siïhna tjampaka koedoe, sisit bitis pamor poeter, dampalna koe batoe lapa.”

Naga toeloej ngawalonan, ari pokna teh: „kok.”

Ti dinja moerangkalih teh amit, dek moelang ka Geger soenten; geus kaidinan, toeloej moelih.

Barang dongkap sasaoeran ka Nini reudjeung ka Aki, ari pokna: „Aki, koering geus datang, endog teh geus ditinggalkeun.”

Ari Nini tjeurik bae barina ngomong njarekan ka noe ngaran Aki tea, ari pokna: „Aki mah diantep bae moerangkalih loeas-leos, disina ka Goenoeng Padang, palangsiang engke mah toeloej ninggalkeun. Aki mah bet bangkawarah, beuki kolot beuki djebrog.”

Geus kitoe, Aki ngawalon: „Nini, oelah sok njarekan djeung oelah sok tjeurik teuing, djeung oelah dipake melang, pedah moerangkalih leumpang, kapan geuning aja babasan: koedrat kawasa, iradat kersa, keur aloes koedratna hade pangwarah oerang djadi pangaloesna.”

„Aeh, heuëuh,” tjek Nini.

Nini-nini toeloej ngomong oendjoekan ka moerangkalih: „djoeragan, ajeuna enggeus, oelah getol teuing angkat, Nini mah langkoeng melang.”

„Mo, Eni, koering teh koe hajang sare, tatapi koedoe djeung Eni eudjeung Aki.”

Toeloej ka pakoeleman tiloean pada arebog.

Tatapi moerangkalih ngawatek sirep, dipake njirep Aki reudjeung Nini, toeloej sasarean tibra Nini reudjeung Aki.

Moerangkalih mah teu sare, anggoer mikir pilampaheun, tatapi tetela geus kapikir, mikir hajang boga soempit.

Geus kitoe, toeloej bae moerangkalih hoedang. Ngageuingkeun ka Nini reudjeung ka Aki pokna: „Nini geura hoedang reudjeung Aki.”

Sanggeus hoedang, moerangkalih sasaoeran, pokna: „Nini, hajang teuing boga soempit.”

Nini anggoer tjeurik, ari pokna bari tjeurik: „adoeh, asep, oelah sok loba teuing kapalaj, dek moendoet soempit, oelah ka Nini, koedoe ka Aki bae nja moendoet.”

Toeloej bae moendoet ka Aki, ari tjeuk Aki: „adoeh, goesti, soemangga bae, ajeuna Aki dek leumpang bade ngala pisoempiteun.”

Prak Aki dangdan barina njoren koedjang pangarak, barina njorendang endong; top bari mawa iteuk, toeloej bae Aki leumpang.

Mapaj di lebah Tarawas,
barabat di patapaän,
nangtoeng di Goenoeng Manglajang,
mapaj di lebak kodjengkang,
brabat di lebah Tij-lengkrong,
nangtoengna di Oedjoeng beroeng,
ngelek ngeser gede bage,

[ 118 ]

nangtoeng di sisi Tji-taroem,
biribit di Goenoeng Geulis,
nangtoengna ka Pasir Moendjoel,
moro-moro kakoelonkeun,
soreang malik ka toekang.

Aki-aki toeloej eureun barina ngomongkeun lampah.

Ari pokna: „adoeh, aing kapohoan, leumpang njoreang ka toekang, baring soepagi sing troes ka anak intjoe, katelahkeun Lemboer Kopo; sabab oeroet aing kapohoan, njorean nendjo ka toekang djaga kaseboet Soreang neuteuk ka lebah Pameungpeuk, gilisir di Pasir Ipis.”

Aki bari eureun.

Pok deui bae ngomong: „adoeh, aing ti imah geus rada beurang, ari datang ka dieu, bet asa isoek deui. leu panon poe kahalangan koe goenoeng, baring soepagi djagana ge heubeul isoek.”

Toeloej kana tjoekang haoer,
mipirna di Tji-sondari,
ngelek ngeser tiloe gebleg,
moro-moro kakoelonkeun,
tjat nandjak ka hidji goenoeng,
ngaran goenoeng Tampak Roejoeng,
mapaj deui ka lebakna,
moeroena ka Goenoeng Haloe,
meuntas di lebah Tji-sokan,
nangtoeng di lebah Tji-andjoer,
ngelek ngeser semoe ngaler,
nintjak di lebah Tji-matjan,
nangtoeng di sisi Tji-koendoel,
nangtoengna di Mega mendoeng,
ngelek ngeser Goenoeng gede,
ngalongok Goenoeng Pangrangon.

Aki-aki toeloej dongkap kana hidji goenoeng, reg aki-aki eureun barina ngomong sorangan, pokna: „tobat-tobat, atoeh aing kabalason lalampahan, balangsiar atjan meunang, ari leumpang enggeus djaoeh, tatapi baringsoepagi, ieu hidji goenoeng sing troes ka anak intjoe katelahkeun Goenoeng Kendeng, oeroet aing koetoek gendeng keur eureun abdi teh mikir lila-lila geus kapikir.” Ras eling kana pangarti, kasemprong sang kala bolong, prak bae ngatjoengkeun leungeun, ngeunteung koe dampal leungeun.

Lila-lila geus katembong aja pisoempiteun, tatapi tempatna geus kaliwat.

Tjek Aki: „adoeh, adoeh geus kaliwat, tatapi lamoen aing tjitjing bae hartina goenoeng tanpa toeloengan sagara tanpa laoetan, mo aja monjet hideungna. Ras eling kana adjianana djampe leumpang soepaja gantjang leumpangna. Ngaranna adjianana dadali poetih.

Toeloej diwatja sakali, kieu pokna:

„adjikoe dadali poetih,

[ 119 ]

mangoengkoeng saloehoer ing koeöeng-koeöeng,
mangangkang saloehoer ing madja gantang,
tjalik dina tanpoe angin,
dat sarapat, dat sarapat.”

Aki-aki toeloej ngedjat, langkoeng gantjang lampah Aki.

Teu kakotjap di djalanna; kotjapkeun datangna bae.

Datangna ka tadah poëk, kaboeroe koe waktoe boerit, pek Aki teh miroeha karepna dek dangdan obor, oborna geus anggeus bae malah geus diseungeutkeun. Tatapi Aki teh ngomong sarta sorangan bae, ari pokna: „em, moegi-moegi sing troes ka anak intjoe katelah lemboer Tji-damar sapedah oeroet aing peuting dadamaran.”

Keur ngomong kitoe, beh manggih tamiang sadapoer pisan, ari pokna: „dalah, kabeneran bet aja tamiang aloes serta tamiang hideung asoep kana paroengpoeng; toeloej koe Aki diala ditoear koe koedjang tea.

Gantjangna Aki balagantrang toeloej bae balik sanggeusna meunang pisoempiteun aloes.

Teu katjarita di djalanna.

Gantjangna geus datang bae ka babakan Geger soenten njampak Nini reudjeung moerangkalih.

Aki toeloej ngomong, ari pokna: „goesti, Aki teh geus datang, tah! ieu pisoempiteun teh ajeuna Aki geus meunang.”

„Noehoen, Aki, kadieukeun eta pisoempiteun dek didjieun?”

Sok bae koe Aki disanggakeun, tapi moerangkalih sasaoeran deui, moendoet dipangalakeun pikodjaeun.

Ari pokna: „Aki, ajeuna geura leumpang pangalakeun areuj kasoengka.”

„Soemangga, goesti.”

Gantjangna Aki pek indit bari njatjar kasoengka; geus meunang toeloej dibikeun.

„Asep, soemangga, ieu pikodjaeun tea.”

„Atoeh, Aki, djieun bae doeaan, koe Aki reudjeung koe Nini.”

Toeloej Aki njaloekan ka Nini, ari pokna: „Nini, oelah djongdjon teuing ngala toema dina samping.”

„Ngadjentjoel soteh lain eukeur ngala toema, eukeur ngahoeaän irateun, kaoela rek njieun koekoelar.”

„Paingan teuing ari heës djeung aing teh sok getek bae kana kelek, horeng teh toemboe koekoelar, ajeuna mah oelah kitoe, anggoer oerang njieun kodja.”

Pek Aki anoe meulahan, Nini noe poerah maoed, moerangkalih noe ngarara.

Tina gantjangna moerangkalih enggeus njieunna rara, geus loba, toeloej sasaoeran ka Aki: „geura pek Aki, geura djeudjeutkeun.”

„Soemangga, tapi sakoemaha beungeut kodja teh?”

„Sadeupa mider ge, Aki, meudjeuhna.”

„Atoeh, njieun kodja tjetjetekan meureun asoep keroed sapoeloeh mah.”

„Eh, ma Aki, lain piwadaheun maoeng, eta piwadaheun manoek.”

Pek Aki ngadjeudjeut kodja ninggang kana dengdek lohor. [ 120 ]Kodja anggeus didjieunna, pek Aki teh ngomong, pokna: „asep, kodja teh anggeus.”

Tjek moerangkalih: „soekoer, ma Aki, tapi eta kodja teh ngaranna si-dengdek poë, da anggeusna dengdek lohor.”

Ari tjek Aki: „atoeh, soemangga, asep, tapi ajeuna koemaha pikersaeun?”

Tjek moerangkalih: „taja ngan oerang soesoempit.”

Gantjangna bral bae leumpang, Aki reudjeung moerangkalih, diïring koe nini-nini.

Teu katjatoer di djalanna; kotjapkeun datangna bae kana leuweung anoe lega.

Beh manggih sahidji manoek tjitjing dina loehoer kai, ngaranna teh manoek tjioeng, djeung manggih sahidji sato ngaranna sato wanara, loeloentjatan dina kai.

Pek moerangkalih nanjakeun ka Aki reudjeung ka Nini, ari pokna: „itoe Aki, manoek naon, manoek hideung pinti koneng, reudjeung sato naon loeloentjatan dina kai?”

Tjek Aki: „manoek tjioeng djeung wanara.”

Toeloej moerangkalih nangis, ari pokna: „eh, Aki, manoek teh oelah disoempit reudjeung eta hidji sato, aloes pingaraneun Tjioeng Wanara.”

Tjek Aki djeung Nini: „soekoer, djoeragan hojong kagoengan djenengan mah, Aki mah ngan rek njaksian.”

Moerangkalih nangis deui, ari pokna: „lobana tiloe, noe ti kidoel naonana, noe ti kaler naonana, noe ti tengah naonana, anoe matak aja tiloe indoengna reudjeung bapana noe ti tengah teh anakna. Eh, Aki, geuraheun teuing, manoek tjioeng boga indoeng boga bapa, ari koering saha nja iboe nja rama?”

Tjek Aki: „djoeragan, geura dangoekeun, ari toeang iboe tea noe kaseboet Naganing Roem, ari rama ratoe di Galih Pakoean.”

Saoer Tjioeng Wanara: „soekoer pisan, Aki, ajeuna mah oerang balik heula bae ka boemi, ka Geger soenten.”

Gantjangna bral bae moelih.

Teu kotjap di djalanna; kotjapkeun datangna bae.

Barang datang Tjioeng Wanara amitan ka Aki reudjeung ka Nini, rek angkat ka Goenoeng Padang neang hajam. Malahan geus toeloej bae datangna ka Goenoeng Padang, kasampak naga teh aja noe njileungleuman endog tea.

Toeloej bae dideuheusan bari oendjoekan sakali ari pokna moerangkalih: „Naga, koering amit doemeuheus wireh ing koering bareto mihape endog, ajeuna koemaha, geus megar atawa tatjan?”

Koe Naga geuat ditembongkeun; malah geus djadi hajam boeloena teh poetih koening radjeg wesi, top bae ditjandak, bari toeloej bae moelih ka babakan Geger soenten.

Henteu kotjap di djalanna.

Geus dongkap ka Geger soenten, geus katingali koe Aki reudjeung koe Nini samalah toeloej ditaros pokna Aki: „djoeragan katoeran soemping sarta njandak hajam djago?”

Saoer Tjioeng Wanara: „enja, Aki, koering datang, samalah ieu mihape hajam koering pangomekeun.” [ 121 ]Top koe Aki hajam teh ditjandak, tatapi Tjioeng Wanara toeloej bae sasarean di babakan Geger soenten.

Toenda heula tjarita anoe keur koelem.

Oerang tjarioskeun heula Aria Banga pedahna keur ngadoe hajam dipirig koe tatabeuhan sarta dipasamoan. Ari pasamoan tea dina tempat ngadoe hajam ajana di Bodjong Galoeh, tempatna di sisi tjai

dina pilis Tji-barani,
katoendjang koe Karang getas,
kasorog koe Tji-parabon,
di dinja tempatna ngadoe.

Oerang toenda tjarita lampah noe ngadoe.

Oerang tjaritakeun deui noe kasep Tjioeng Wanara sapedah geus goegah koelem di babakan Geger soenten.

Pek bae njaoer Aki reudjeung Nini ari pokna: „Aki geura kadarieu, ajeuna koering geus hoedang, sedjen teuing dadangoean, dangoe sora gamelan?”

Pek Aki ngadeuheusan malah toeloej naros sakali pokna: „koemaha nja pimanaheun noe matak njaoer ka Aki.”

Saoer Tjioeng Wanara: „kaoela teh bade leumpang ka nagara Galih Pakoean sedja koela ngadoe hajam.”

Demi tjek Aki: „perkawis rek ngadoe hajam, Aki teu bisa, rek njitoe lemboer teu bisa nambak tampian, teu njaram teu ngoelah-ngoelah djeung teu bisa mepet soember nambak sagara goentoer, ngan kari koemaha manah hade goreng ajeuna koemaha, galeuh.”

Gantjangna Tjioeng Wanara idin teu idin ti Aki mo boeroeng angkat bae hajam teh ditjandak. Bral bae angkat; teu lila djol bae ka Goenoeng Padang.

Ti dinja pek pake-pake,
sing serewa dangdan hade,
disindjang songket kanoman,
dibeulitan tjinde kembang,
raksoekan gembrang kantjana,
dioedeng taboer peremas,
beleset noe njoren doehoeng,
landean disilanglangkeun,
menteleng pamendak inten,
doehoengna poen karawelang,
pamor poehoen ti poehoena,
pamor togog ti tjongona,
dipamoran pamor poeter,
ditengah poetri ginedong,
pamor alip gandja woeloeng,
ngaloempajang sapoetangan,
tjaretjetna soetra kembang,
sadia beunangna dangdan.

Gantjangna toeloej noe angkat: [ 122 ]

inditna djeung kinasihan,
toeloejna djeung pangaweroeh,
leumpangna djeung pangabisa,
tapi loba papanggihan,
basana menak keur angkat,
manggih loetoeng moemoeloedan,
manggih oa keur ngadoa',
manggih monjet goreng gawe,
gawena maling berekat,
resep teuing doa' oa,
ditoeroetan bari leumpang,
leumpang koe Tjioeng Wanara.

Ari pokna doa' tea: „Mohoematjanir kondang salamet dewek sorangan.”

Toeloej bae anoe angkat,
beh deui manggih gogoda,
aja doedoet eukeur ngangkloeng,
kadantja noe ngagantjangan,
djogdjog noe poerah ngengklokan,
towed poerah ngaroëlan,
ditoeroetan bari leumpang,
loemajan tatamba keueung,
doeroegdoeg enteg-enteg tjroeng,
gantjangna menak noe angkat,
geus dongkap ka heuleut alas,
deukeut kana katja-katja,
nagara Galih Pakoean,
djaoeh sapanjeloek deui,
pek Tjioeng Wanara eureun,
dina loehoer batoe datar,
sahandapeun tandjoeng noenggal.

Tjioeng Wanara ningali kana katja-katja tea, beh aja noe ngadjaga dina katja-katja djoemlahna aja tiloean. Ngaranna eta djelema: hidji Aki Geleng Pangantjingan, doea Aki Koeta Kahiangan, katiloe Jaksa Majoeta noe djangkoengna doearatoes limapoeloeh gas tea.

Ari tjeuk Jaksa Majoeta: „hahaj! bet baoe teuing djelema, lamoen koe aing kadeuleu, geus tangtoe bakal dihakan, soepajana teu kadeuleu.”

Ari tembalna anoe doea: o! mangke mas, sampean oelah waka kitoe nja omongan, oerang teh dangoekeun heula, sabab oerang pangaja di dieu, dioetoes koe ratoe Galoeh piwarang ngadjaga lawang, bisi aja noe rek goreng hatena asoep ka nagara ieu noe matak koedoe didjaga.”

Tjeuk Jaksa Mahajoeta: „atoeh enja, henteu salah pikir oerang nja kitoe pisan, ngan dewek koe enggeus heubeul hanteu ngahakan djelema, ajeuna, saha bae noe ngaliwat, geus tangtoe bakal dilebok.” [ 123 ]Geus kitoe, kadangoe koe Tjioeng Wanara ari saoerna didjeroning manah: eta djelema tangtoe bakal nganiaja, tapi koemaha akalna soepaja oelah datang ka tjilaka, ah, leuwih hade dipipahokan koe aing.”

Prak bae mapatkeun adjianana. Geus terap ka djalma noe ngadjaga tea, datang ka teu bisa nendjo ka Tjioeng Wanara.

Ladjeng Tjioeng Wanara ngaliwat ka katja-katja.

Barang datang ka pasar, katendjo koe oerang pasar,

tapi matak kaedanan,
tina sakitoe kasepna,
djalma loba geus ngagoeroeh,
paboeroe-boeroe nendjokeun,
matak reuntas randjang waroeng,
matak tibrobot golodog,
pake nongton noe ngaliwat,
awak ing koe tina kasep,
loba anoe sisindiran,

Ari pokna:

„itoeh, euj, salaki saha,
lamoen seug salaki oerang,
tjara sakitoe kasepna,
ka tjai meureun diais,
ka pasar meureun dibawa,
ka lisoeng di poenggoe-poenggoe,
ngoendeur ka leuweung diakeup,
diakeup hamo di toekang,
kadjeun digesoh di hareup,
bisi direboet koe batoer,
warna omong djalma loba,
bawaning koe tina bogoh,
tapi montong diketjapkeun,
loba teuing omongkeuneun,
kotjapkeun gantjangna bae,
datangna ka tengah pasar,
aja hidji noe katjatoer,
nini-nini langkoeng kaja,
ngaran nini nini soegih,
kabedjaan koe sadaja,
bet aja noe kasep liwat,
geuat nini soegih dangdan.

Geus dangdan megatan di djalan ka Tjioeng Wanara, bari toeloej ngarontokan sarta tjeurik, ari pokna: „ieu teh bet intjoe eni, ajeuna teh datang deui, paingan, ti peuting kaimpi soemping, ti beurang kaetang datang. Ajeuna sidik boektina, hajoe! asep oerang balik.”

Tatapi eta mah palsoe, lain nini saenjana. [ 124 ]Ari tjek Tjioeng Wanara: „nini teh, saha nja ngaran, wani ngarontok ka koering? Tjing, koering geura tingali masing sidik roepana koering.” Nini-nini toeloej tanggah,

ditendjo kana rarajna,
meni serab katendjona,
nini-nini ngeloek deui,
kawas boeeuk beunang maboek,
bawaning koe tina isin,
tatapi pek baë naros,
ari pokna: „eh djoeragan,
ti mana nja lemboer matoeh,
ti mana dajeuhna maneuh,
nagara antjik-antjikan,
bandjar karang panglajoengan,
nja bale geusan ngadjadi?”

Djawab Tjioeng Wanara:

„dipariksa lemboer koering,
djaoeh-djaoeh ti babakan,
ti babakan padoesoenan,
katelah pagoegoenoengan,
ari ngaran djisim koering,
njai ieu Ki Bagoes Langka.”

Koe nini, enggeus kapikir, ari pokna: „aeh, kasep, paingan teuing ngaran teh Ki Bagoes Langka, da langka kapanggih koe eni.”

Gantjangna toeloej diakoe, dibawa njimpang ka lemboer barina disoegoeh-soegoeh, tapi teu daekeun barangdahar wantoe tara saoemoerna.

Koe nini ladjeng ditaros: „naha henteu barangtoeang?”

Walonna Tjioeng Wanara: „lain nampik ka pangasih, ngan koering teu atjan pareng kana hajang barangtoeang, hajang soteh ngadoe hajam.”

Tjeuk nini soegih: „adoeh, goesti, hajang ngadoe mah, soemangga da eni dipihapean sahidji hajam koe ratoe, ari hargana hajam doearatoes pasmat sahidji. Tapi rek diadoekeun, mah, soemangga bae, kadjeun teuing hajam anggoer kadjeun ngagantian da eni soeka katjida.”

Tjeuk Tjioeng Wanara: „atoeh eni, hajoe oerang teang di mana ajeuna eta hajam.”

Tjeuk nini: „di balandongan dikoeroengan.”

Bral indit djeung nini ka balandongan; tina koeroeng dikentjarkeun hajam anoe ratoe tea.

Ti dinja toeloej Tjioeng Wanara ngaloearkeun hajam tina djero kisa; gantjangna prak diadoekeun tapi eleh hajam ratoe.

Nini soegih teh hoökeun, nendjo hajam ratoe eleh, pok bae nini teh ngomong: „adoeh, asep, hajam ratoe wani paeh, atoeh nini teh tjilaka toengtoengna, koedoe diganti saharga eta hajam.”

Tjeuk Tjioeng Wanara: „geus tangtoe nja kitoe pisan, malah-malah koering oge koe nini dibere doeit.” [ 125 ]Sok bae koe nini dibere doeit limapoeloeh pasmat, tapi eta nini pikirna asa ka intjoe sanadjan leuih ti sakitoe, pikirna rek mere bae ngan soepaja moerangkalih teu daekeun mawa doeit loba-loba, pikirna sangeukeun ridoe.

Ti dinja bral bae angkat. Asoep ka tempat gagaman tapi eta gagaman kabeh pada boga hajam, koe Tjioeng Wanara pek bae diasoepan sarta bari ngadoekeun hajam.

Tatapi teu kanjahoan waktoe keur ngadoe hajam, kawantoe bisa ngaleungit, malah-malah eta hajam sakoer anoe diadoean kabeh oge pada paeh.

Gantjangna Tjioeng Wanara dongkap ka aloen-aloen, pek ngaganti roepa ngadjadikeun boedak hideung laer beuteung; nja kitoe deui hajamna djadi hajam koelawoe sentoel.

Pek bae boedak teh eureun handapeun tjaringin koeroeng, di dopang tjaringin soengsang, barina majoen ka wetan.

Oerang toenda tjarita anoe keur eureun.

Oerang njaritakeun heula noe ngaran Goentoer sagara djeung ngaran Bontot sagara, poetra ki Gadjah Manggala, balik beuteung masamoan, ngadoe hajam djalanna ka aloen-aloen.

Prok tepoeng djeung boedak hideung, toeloej ditanja koe noe doeaän, noe nanja langkoeng songong, noe ditanja teh belengong.

Ari pokna anoe nanja: „maneh teh oerang mana?”

„Kaoela teh oerang lemboer.”

„Ti mana lemboer sampean?”

„Ti noe kakoeroeng koe pager.”

„Da meureun aja loeöekanana?”

„Kapan dina tempatna.”

„Naha sampean anak saha?”

„Kapan dewek anak bapa.”

„Na, saha bapa silaing teh?”

„Kapan mah salaki indoeng.”

„Ai ngaran saha?”

„Da dewek lain tikoekoer, tara njeboet ngaran maneh.”

Ti dinja anoe doeaan toeloej pada ngambek bae, pedah dilawanan songong malah toeloej ngarontok ka boedak hideung, tatapina henteu beunang kawantoe bisa ngaleungit; anoe doea teh leungiteun toeloej bae pada balik, dek poepoelih ka ramana, ka ngaran Gadjah Manggala.

Barang datang, pok oendjoekan: „adoeh, ama, koering tiwas papanggih djeung boedak hideung ajana di aloen-aloen. Tapi teu poegoeh ngaranna bawana hajam sahidji boeloena koelawoe sentoel, koe poetra bade ditangkep tapi weleh, hanteu beunang, ajeuna sadaja-daja ama langkoeng oeninga.”

Ti dinja Gadjah Manggala poesingna teu kira-kira, pek bewara ka gagaman miwarang nangkep boedak hideung. Gantjang kabeh pada boedal.

Datangna ka aloen-aloen, barang kasampak boedak teh geus ganti roepa, ngadjadi djelema madjana, henteu goreng henteu kasep; eta djalma anoe loba henteu bisaeun narangkep sabab geus ganti roepana. [ 126 ]Ti dinja djalma noe loba, kabeh geus pada lapor ngoendjoekkeun boedak teu aja. Nja kitoe, Gadjah Manggala oendjoekan ka ratoe Galoeh ngoendjoekkeun perkara boedak.

Ti dinja praboe ratoe njaoer ka Batara Lengser, saoerna: „Lengser, maneh geura dangdan teang sahidji boedak, boedak hideung laer beuteung, bawana hajam koelawoe sentoel. Ajeuna teh koedoe beunang sababna goreng dosana. Lamoen maneh bisa meunang ka eta hidji djelema, geus tangtoe maneh digandjar koe aing, pangsioen boga rahajat loba, ngora-ngora didjompokeun, mo dibere deui gawe.”

„Noehoen, goesti, abdi sedja koemaoela”, bari toeloej bae loempat.

Teu katjatoer di djalanna; kotjapkeun datangna bae djeung djelema anoe rea pok bae ngabageakeun ka eta noe ngaran Lengser, pokna: „oea, olot, engki, oejoet, mamang, kakang, bagea, ajeuna teh rek ka mana?”

„Dewek, anoe matak datang ka dieu, rek ngoemisi, rek neangan boedak hideung laer beuteung; soeganna aja di dieu?”

„Teu aja atoeh.”

Ti dinja Lengser loempat deui, toeloejna ka nini soegih.

Barang datang, toeloej ngomong, pokna: „sampoera soen, nini soegih, koela amit arek ngandjang.”

Tjeuk nini soegih: „rampes, oea Lengser, tara-tara ti sasari, ajeuna datang ka dieu, arek naon pibedjaeun?”

„Kaoela bade ngoemisi, rek neangan boedak hideung laer beuteung, bawana hajam koelawoe sentoel; soegan aja ka dieu?”

„Atoeh ka dieu mah teu aja, aja soteh lain kitoe, teu hideung, teu laer beuteung, ngan aja noe leuih kasep, ngaranna Ki Bagoes Langka, lemboerna ti padoesoenan, bawana sahidji hajam poetih koening radjeg wesi.”

Ti dinja Lengser ngahoeleng, mikiran omongan nini; malah-malah geus kapikir koe Lengser, pok bae ngomong: „euleukeudeuheu bedog didenge kitoe komo oedjar isoen, henteu kitoe oge maning, ari basa maning: deui, basa deui: maning; tapi eta lamoen kitoe, boedak teh sahidji keneh noe hideung djeung noe kasep teh, tapina mo timoe lamoen teu dipetangankeun.”

Prak Lengser metangankeun, malah geus katingal handapeun tjaringin koeroeng tetela boedak teh kasep.

Toeloej bae Lengser sisindiran:

„soemoer katoeroeban njiroe,
baregbeg ragrag ti para,
saoemoer kakara nimoe,
ngadegdeg bari kakara.”

Tjek Lengser: „paingan teuing, henteu djaoeh ti itoengan, henteu anggang ti etangan, teu geseh ti hate dewek.”

Ras eling ka djoeragan istri, ka Pohatji Naganing Roem, basana keur waktoe babar, bareto dikaja-kaja, didjeroem koe maroena, tjepil, sotja dimalaman, pananganana dibanda, boedak teh dipalidkeun. Ajeuna bet bisa datang, dibasakeun: kebo moelih pakandangan, nja moentjang laboeh ka poehoe; eta boedak tetela djoeragan dewek ngan handjakal saeutik lampah, djadi soeka-risi. Ari basa soeka, dewek [ 127 ]soeka, kadatangan koe djoeragan, basa risi, eta lampahna koe goreng hajam ratoe diadoean paeh kabeh.”

Ti dinja kapikir deui koe Lengser. Kieu pikirna: „ah, keun bae, mo waka ditepoengan, mangke bae geus euweuh di aloen-aloen.

Toenda heula tjarita Lengser keur mikir.

Katjarita patih doea sakembaran, Patih Poerawesi, Patih Poeragading, sedjana ka pasamoan, bawana hajam sahidji, patepoeng di aloen-aloen djeung Tjioeng Wanara.

Gantjang bae ditanja koe Tjioeng Wanara, pokna: „dek ka mana paman, bet ngaleut doewaan?”

Papatih doea nembalan pokna: „naha, maneh wani-wani ka aing njeboetkeun paman? kapan aing teh papatih.”

„Diseboet sia koe daek, diseboet paman ge moemoel.”

„Naha, maneh anak saha?'”

„Anak bapa.”

„Saha bapa maneh teh?”

„Salaki indoeng.”

„Indoeng maneh saha?”

„Kapan pamadjikan bapa.”

Patih doea seuseurian ngadenge omonganana, bari toeloej ngadeukeutan. Bet katembong boedak teh mawa hajam, pek bae ditanjakeun: „ti mana maneh boga hajam mana aloes-aloes teuing?”

„Toeroenan tina sajangna, asalna indoeng bikang bapa djago, asalna tina endog.”

„Atoeh poegoeh da geus djamak moepakatna; tjik ngilikan.”

„Tah, geuning boentoetna.”

„Abong-abong.”

„Ih, abong-abong mah songong.”

Ki patih gantjang ngadjak ngadoe, bari hajam dikentjarkeun tina kisa. Koe boedak pek dilawanan, hajamna pek dileupaskeun.

Ger bae diadoe; lila-lila toeloej eleh hajam patih teh.

Patih doea toeloej ngambek; barang rek ngarontok, Tjioeng Wanara ngaleungit, patih doeaan leungiteun.

Tjeuk patih: „doeh, rai, tiwas, hajam oerang paeh, boedak leungit.”

Tjeuk raina: „keun bae, taksiran anak siloeman.”

Patih toeloej ka paseban.

Oerang toenda tjarita patih noe doea.

Oerang balikan deui Lengser.

Geus indit ti nini soegih, djalanna ka aloen-aloen; prok tepang djeung Tjioeng Wanara.

Toeloej Lengser teh ditanja pokna: „rek ka mana oea?”

„Rek ka paseban, asep, miloe ka oea?”

Emboeng, teu wawoeh.”

Teu oemoem teu wawoeh djeung koering.”

Enja, teu wawoeh da papanggih ge kakara.” [ 128 ]Bari Lengser loempat ka paseban; moerangkalih oge loempat noetoerkeun Ki-lengser.

Barang datang ka paseban anoe kosong taja djelemaäan, toeloej koe Lengser ditanja, pokna; aeh, asep teh anoe ti mana?”

Tjioeng Wanara ngawalon: „kapan koering ti padoesoenan, oea, nja koering noe ngaran Tjioeng Wanara, poetra Nini balagantrang, Aki balagantrang.

Tjeuk Lengser: „soekoer teuing, djoeragan, koe oea geus kaharti.”

Pok nanjakeun ka Lengser: „ieu, oea, imah saha?”

„In, asep, ieu imah, paseban.”

„Ari itoe noe soekoena opat sarta matana loba, naon?”

Korsi gading taboer inten.”

„Paranti naon?”

„Paranti linggih radja.”

„Koemaha lamoen koe koering didioekan?”

„Oelah, bisi doraka.”

Tapi andjeunna maksa, toeloej bae kana korsi, datang ka korsi teh boeboek sabab awakna koe leuih beurat, wani bobot sewoe kati.

Lengser teh reuaseun pisan bari toeloej bae ngomong: „doeh, agan, tiwas oerang teh, tangtoe tjilaka, diseuseul koe noe kagoengan.”

Moerangkalih teu sieuneun, anggoer toeloej seuseurian, anggoer pek nanjakeun deui, pokna: „itoe paranti naon?”

„Randjang katil sok dianggo radja koelem.”

Moerangkalih toeloej oenggah kana randjang katil tea, bari toeloej dikiïhan kasoerna teh toedjoeh toempang.

Lengser teh teu bisa njarek kawantoe djoeraganana.

Ti dinja toeloej koe Lengser dibawa ka pasamoan.

Teu katjatoer di djalanna; kotjapkeun geus datang bae ka pajoeneun ratoe Galoeh.

Ladjeng bae dipariksa, saoerna: „ari maneh oerang mana?”

Tjioeng Wanara ngawalon: „abdi, oerang Geger soenten.”

„Saha nja ngaran?”

„Abdi teh Tjioeng Wanara.”

„Rek naon sedja teh datang ka dieu?”

„Sinedja rek njorog ngadoe, gadoeh hajam sahidji, tatapi koe langkoeng awon.”

„Mana hajamna?”

Toeloej hajam disanggakeun.

Koe ratoe geus diïlikan, bari toeloej ditanjakeun: „ieu hajam ti mana asalna?”

„Soemoehoen pariksa, goesti, ari asal hajam abdi toeroenan tina sajangna, indoeng bikang bapa djago, ngendog satahoen sahidji, sajangna koedoe kanagan.”

Tjeuk ratoe: „paingan hajam teh bet aloes.”

Sabotna kitoe kadangoe koe Dewi Pangrenjep sarta kaharti saomongna Tjioeng Wanara, toeloej bae njaoer Lengser moendoet ka djamban.

Barang datang ka djamban, pok bae ngomong ka Lengser, saoerna: „eh, Lengser, sok ras inget ka embok Naganing Roem basana keur waktoe babar [ 129 ]dikaja-kaja, ari ajeuna noe dipitjeun koe aing, bet bisa datang ka pajoeneun ratoe, aing teh kalangkoeng sieun.”

Tjeuk Lengser: „montong dianggo karisi sababna teu boga iboe, ari ajeuna mah, geura akoe bae koe gamparan.”

Tjeuk Dewi Pangrenjep: „mangke, Lengser, koe aing dipikir heula, ajeuna mah, maneh geura bral bae Tjioeng Wanara deukeutan.”

Gantjangna Lengser teh toeloej njampeurkeun Tjioeng Wanara.

Kotjapkeun deui ratoe keur mariksa Tjioeng Wanara; mariksa pitoempangeunana.

Ari walonna: „abdi teu ngabantoen toempang ngan sinedja abdi rek noempangkeun oemoer bae.”

Saoer ratoe: „hade ari tega mah ka oemoer, pilawaneunana nja eta ti aing nagara sabeulah; ari dilawankeunana hajam maneh djeung hajam aing rengge njatoena sapoe satanggoeng, wani atawa henteu, da hajam maneh mah leutik tapi aloes?”

„Soemangga, oelah boro beurang peuting sedja ngiringan.”

„Hajoe, geura pek ka pakalangan, hajam maneh geura bawa, bobotohna patih doea.”

Ti dinja ger bae ngadoe:

itoe teungteung, ieu loedeung,
wani saroea daekna,
hajam teh prak bae abar,
silihpatjok koe pamatoek,
silihgitik koe djangdjangna,
silihpeupeuh koe soekoena,
hajam saroea bedasna.

Lila-lila hajam Tjioeng Wanara kadeseh, hajam teh pek kapaehan.

Gantjangna geuat disamboet, ditjandak ka sisi Tji-barani, katoendjang Tji-karang getas, kasorog koe Tji-parabon.

Ti dinja toeloej dibanjoe hajamna Tjioeng Wanara datang ka elingna pisan, gantjangna ditjandak deui kana pakalangan tea. Toeloej diabenkeun djeung hajam praboe ratoe. Keur waktoe hajam diadoe, datang Naga Wiroe tea ti Goenoeng Padang njoeroep ka hajam Tjioeng Wanara.

Sanggeusna kasoeroepan naga, hajam matjok bari meupeuh bae, datang ka paehna pisan hajam praboe ratoe. Geuat praboe ratoe ngarontok bari sasaoeran, saoerna: „adoeh, asep, poetra ama, mana bet kajoengjoen teuing, kagoengan teh bisa ngelehkeun hajam ama.”

Saoerna Tjioeng Wanara: „aja berkah, goesti.”

Geus kitoe, „geuat ngoempoelkeun parabopati,” saoer ratoe: „patih djeung sakabeh mantri, ajeuna geura saksian, oerang rek ngawaris poetra noe kasep Tjioeng Wanara saraoeh Aria Banga. Ajeuna, asep, geura tarimakeun ngawaris doehoeng sapoetjoek djeung pandaj salawe domas, nagara sabeulah koelon. Ari eusina: patih lima, djaksa lima, meteti opatpoeloeh, toekang bakoel saratoes limapoeloeh, gagaman sabeulah nagara; ajeuna, geura ratoean.”

„Ari Aria Banga nagara sabeulah wetan, eusina saroea bae; ajeuna, geura ratoean.” [ 130 ]Geus katampa koe poetra noe doea sakabeh geus didjenengkeun.

Saoer ratoe: „ajeuna oerang maroelang, geus poetoes masamoan."

Gantjangna baroedal bae tina tempat ngadoe hajam, masing-masing ka imahna. Ratoe Galoeh ajeuna djadi merdika, sabab dimerdikakeun koe poetrana tea, nja eta Tjioeng Wanara djeung Aria Banga, anoe kotjap di nagara djadi ratoe.

Lila-lila Tjioeng Wanara ngamanah, toeloej bae njaoer Lengser, pokna: „adoeh, oea, geura ka dieu dioek sapangloenggoehan, koering arek sasaoeran, eling kana saoer ama, waktoe oerang ngadoe hajam, saoer ama teh ngawaris nagara sabeulah koelon saraoeh eusina pisan, tapi eta lain waris, dipikir koe koering, kapan toempang ngadoe hajam."

Lengser toeloej seuseurian, pokna: „doeh, ngeran, tetela pisan eta lain ngawaris, kawas-kawas pangoloan."

Saoerna Tjioeng Wanara: „tetela, oea, pangoloan, tapi ajeuna oerang angken waris bae, koedoe bisa mindingan risina ratoe, njingkahan kaera radja. Engkena mah, koering geus tangtoe majar hoetang:

hoetang rasa majar rasa,
hoetang wirang majar wirang,
oeroet koering dinjenjeri,
asal koering dipalidkeun,
ka Tji-tandoej diboeangkeun,
diwadahan koe kanagan."

Engke, koering hajang majar koe pandjara beusi."

Tjek Lengser: „doeh, goesti, pikir oea leuih tjotjog, geus hajang, geura pek bae ngadamel pandjara beusi, isoekan kari goeroeboeg."

Saoer ratoe: „mo sae oea, da lain sato hewan, lain kidang, lain mandjangan, koedoe tjaina herang laoekna beunang, kapan kitoe loembrahna omongan sepah."

„Soemoehoen timbalan goesti, tapi oea ajeuna awon pinaros, samemeh ngadamel pandjara beusi, djoeragan rek ngadamel naon heula?"

Tjeuk Tjioeng Wanara: „hajang tepoeng heula djeung iboe noe ngaran Naganing Roem; ajeuna di mana ajana?"

Soemoehoen pariksa goesti, perkawis iboe gamparan ajana di patapaan, baheula noeroetkeun pepeling abdi. sina tatapa di patamanan."

„Tjik, oea, geura teang, sarta koedoe kabawa ka dieu."

„Soemangga, goesti, ajeuna abdi teh amit."

Gantjang Lengser teh loempat ngadjoegdjoeg ka patapaan:

mipir pasir mapaj lebak,
mengkolna dina bobodjong,
njorang leuweung sakeukeudeung,
warna-warna kai leuweung,
anoe kasorang koe Lengser,
hoeroe dapoeng djeung kitjaloeng,
hoeroe meuting djeung kikoneng,
tjarelang djeung handap heulang,
kitapok reudjeung kimeong,

[ 131 ]

sakitoe anoe kasorang,
keur waktoe Lengser keur loempat.

Njorang deui ditjombrang-ditjambroeng: ngagembreng tjihtjir tjandoengna,

pangaroeh lindeuk maoengna,
koe Lengser diliwat bae,
geus dongkap ka patapaan,
reg Lengser teh ngahoehoeleng,
karepna soemedja ngintip,
ngintip ka noe eukeur tapa.

Toenda heula lampah Lengser.

Kotjapkeun heula noe tapa.

Anoe geulis Naganing Roem,
tapana barina nepa,
mongplong sorana gedogan,
gedoganana kimangot,
toendjangan boengboelang peutjang,
tjaorna dawolong tjondong,
hapitna djati dioekir,
barerana langkap noenggal,
soeri awi tali noenggal,
taropong tamiang sono,
tali tjaor digenggean,
polengna songket kanoman,
aloes lain kaoelinan,
matak tigoeloesoer koetoe,
matak tisoledat toema,
matak tisorodot mojo,
matak tidjalikeuh piteuk,
laleur eunteup tidjalikeuh,
eunteup dina tinoen poetri.

Koe Lengser enggeus kadenge eta sora gedogan teh, pok bae Lengser teh ngomong: „tah, geuning djoeragan istri, ajeuna bet hoerip keneh."

Gantjangna pek ngadeuheusan barina toeloej oendjoekan, pokna: „doeh, goesti, abdi teh awon ngadeuheus."

Koe Naganing Roem katingal, tetela bet kakang Lengser, porosot nibankeun tjaor, barina toeloej mariksa saoerna: „aeh, aeh, kakang Lengser, tara-tara ti sasari, ajeuna kakara soemping, rek naon pikeresaeun?"

Tjeuk Lengser: „soemoehoen timbalan goesti, perkawis poen kakang dongkap bade ngoeningakeun, poetra ajeuna geus djadi ratoe djenenganana Tjioeng Wanara. Ajeuna gamparan kedah enggal-enggal linggih poetra gadoeh pihatoereun sareng tina hajang tepang."

Gantjangna poetri teh dangdan bari toeloej angkat bae.

Teu katjatoer di djalanna; kotjapkeun geus datang bae. [ 132 ]Datangna geus boerit pisan, teu aja noe njahoeun basana poetri keur soemping; ngan tjoema poetrana pisan awas ningali iboena, iboena nja kitoe deui awas ningali ka poetra. Toeloej bae dirangkoel djeung ditangisan.

Bari nangis Naganing Roem sasaoeran ngawoeroekan ka poetrana, saoerna: „asep, ajeuna teh poma-poma koedoe bisa majar hoetang iboe bareto dikaja-kaja djeung asep teh dipalidkeun."

Geus kitoe, soemping Batara Troesna bawa, eangna Tjioeng Wanara, nja eta ramana Naganing Roem, maparin pipandjaraeun barina toeloej ngawoeroekan ari saoerna: „asep, ajeuna geura tampanan ieu paparin ti eang bakalna pandjara beusi, gedena sadjaroem tjina. Ajeuna mah geura djieun, tatapi oelah koe andjeun, koedoe wakil ka pandaj kawasa, ka ngaran Ki Gendoe Majak, sabab eta boga djimat ngaran: paloe kaboejoetan. Ari watek eta djimat tina leutik djadi gede; djeung deui, njieun eta pandjara henteu meunang sagala tahoen, koedoe dina tahoen Alif, boelan Moeloed, dina tanggal opatwelas ti peuting malem Djoemaäh. Djeung pameuleuman beusi koedoe diparepehan wedoes hideung atawa hajam hideung djeung hadjatna sangoe poenar, doa'na koe naktoe di noer." (sic)

Gantjangna eangna moelih, asoep ka sawarga loka.

Ladjeng Tjioeng Wanara njaoer pandaj tea. Teu lila djol bae datang ngadeuheusan.

Tjioeng Wanara nimbalan, saoerna: „ajeuna, oea, dangoekeun koe oea diperih pati pangdamelkeun pandjara beusi, ieu bakalna teh leuih leutik koedoe djadi sewoe kati eukeur boeat majar hoetang."

Walonna: „soemangga pisan, nanging teu meunang salingkoeh, koedoe neda idin heula ka rama gamparan, ka praboe ratoe ambeh tjaina herang laoekna beunang."

Geus kitoe, Tjioeng Wanara toeloej bae ngadeuheusan ka ratoe sepoeh. Kasampak ratoe keur linggih djeung eta Dewi Pangrenjep.

Ratoe sepoeh toeloej njaoer ka Tjioeng Wanara, saoerna: „asep, soekoer, teuing soemping, rek naon nja pigaleuheun?”

Wangsoelna: „soemoehoen pariksa ama, noe mawi abdi doemeuheus, abdi njoehoenkeun paidin dek njieun pandjara beusi gede, bobot sewoe kati?"

„Keur naon?"

Tjeuk Tjioeng Wanara: „noe matak njieun pandjara, bisi aja badjo ngalalakon, bisi aja badjag ngalalana, karepna rek nganiaja, kakersa kangdjeng rama saraoeh ka kangdjeng iboe."

Saoer rama: „asep, kajoengjoen teuing tjatjakan moerangkalih mah, geus aja karep rek bela ka rama djeung ka iboe, ajeuna, ama ngidinan, di mana anggeus, koe ama arek dironda, bisi koerang sajagana.”

Tjioeng Wanara toeloej moelih bebedja ka pandaj kawasa tea jen meunang idin ti ratoe.

Ari tjek pandaj kawasa: „mangga, tapi koedoe sirep heula oerang nagara Galih Pakoean, bisi aja noe njahoeun."

Ti dinja prak bae njirep, datang ka reup bae hareës sanagara katoet ratoe sepah.

Pandaj kawasa deker bae njieun sarta gantjangna teu kira-kira, metakeun djimat tea djeung henteu koengsi sapeuting geus anggeus eta pandjara. [ 133 ]Gantjangna pek dihatoerkeun ka Tjioeng Wanara, sarta pek koe Tjioeng Wanara dioekir:

dioekir direnggi-renggi,
ditatah digoebah-goebah,
diroepa-roepa wongwongan,
malah rongrong gogodongan,
ditekin dina oekiran,
merak simping lalakina,
dilongok siga rek matjok,
diteang siga njoreang,
dilieuk siga mireungeuh,
dioengkoelan siga imoet,
ditilik siga rek seuri,
oekiran aloes katjida,
soepaja kajoengjoen ratoe,
soepaja radja kabita.

Geus anggeus sadajana, Tjioeng Wanara toeloej ngoeninga ka ratoe sepoeh.

Malah geus dipariksa, saoerna: „geus anggeus, asep?”

Wangsoelna: „soemoehoen parantos.”

Gantjang bae ratoe angkat sareng pawarangna noe ngaran Dewi Pangrenjep.

Teu lila geus soemping bae. Ningali pandjara tea barina dipariksakeun langkoeng aloes saoer ratoe, saoerna: „na, asep, pandjara aloes-aloes teuing, komo teuing di djerona.

Tjik, ama, hajang njaho ka djerona, tapi koedoe make damar sabab di djerona poëk.”

Gantjangna Tjioeng Wanara njipta damar. Enggeus tjaäng di djerona, ti dinja ratoe teh asoep sareng Dewi Pangrenjep, rek ningalian oekiran saraoeh reudjeung tekinan.

Tjioeng Wanara tinggal di loear.

Barang ratoe geus asoep, geuat Tjioeng Wanara narik panto pandjara djeded,

rekep batan hoentoe gegep,
lita batan hoentoe koeja,
reugreug pageuh djedjel kandel,
poëk medem boeta radjin.

Atoeh ratoe sareng poetri segroek bae narangis, nanging koe Tjioeng Wanara henteu diwaro, anggoer toeloej angkat ka Goenoeng Padang.

Tjatoerkeun Aria Banga rek ngadeuheusan ka ramana, tapi barang dongkap ka boemina henteu njampak; lila-lila aja bedja jen ratoe enggeus dipandjara.

Ti dinja geuat Aria Banga ngoempoelkeun parabopati, djaksa reudjeung aria; ka raden paragegeden miwarang ngakat pandjara, tapi henteu beunang dikakat.

Kaboeroe koe Tjioeng Wanara ti Goenoeng Padang.

Geus datang, katingal koe Aria Banga, toeloej disampeurkeun gantjangna ger bae perang. [ 134 ]

Silihpĕdang, silihbiti,
silihtonjok, silihcabok,
tapi sarua gagahna,
pĕrang lila nanakĕran.

Kocap parabopati geus pada kalabur kabeh, sabab teu bisa nyapih nu pĕrang.

Nu ka wetan baladna Aria Banga balik ka Tĕgal tamtama Majapait, ari anu ka kulon baladna Ciung Wanara budalna ka Pajajaran.

Kantun anu eukeur pĕrang, pĕrangna lawas kacida. Dongkap ka dalapan wĕlas taun pĕpĕrangan silihsered, lila-lila datang ka hiji walungan.

Tuluy Aria Banga ditewak dibalangkeun ka sabeulah ti wetan. Ti dinya Aria Banga rek malikan, tapi kahalangan ku walungan.

Tuluy bae sasauran bari ngajak eureun pĕrang: "Beu, rai, ayeuna mah pĕrang teh urang eureun bae ti sĕrĕk poë ieu sababna aya wahangan, sarta ieu wahangan urang ngaranan Ci-pamali, pamali soteh, lain pamali diïnum dipake mandi, pamali urang girang jeung dulur."

Gancangna pek bae sasalaman sarta nya di dinya pisahna.

Aria Banga ka wetan, tuluyna ka Majapait, ari Ciung Wanara ka kulon. Tatapi samemehna papisah sasauran heula, misaurkeun wawatĕsan ti sĕrĕk Ci-pamali.

Saurna: "Rai, ti sĕrĕk Ci-pamali ka wetan bagian kakang, dibasakeun tanah Jawa kajawan kaparabon."

Saur Ciung Wanara: "Sumuhun, akang, ti sĕrĕk ieu ka kulon bagian kuring, dibasakeun tanah Sunda, Pasundan sabda ka Malayu trus ka Palembang.

Ti dinya bral papisah.

Dĕmi Ciung Wanara ka dayeuh, heula malangkeun panjara beusi ragrag ka Kandang Wĕsi; nu matak dingaranan Kandang Wĕsi, asalna panjara beusi dibalangkeun los ka dinya.

Ti dinya Ciung Wanara kĕbat nuturkeun gagaman tea ka Pajajaran, Aria Banga nuturkeun baladna tea, losna ka Majapait.

Urang tunda.