Lompat ke isi

Tjarita Raden Moending Laja di Koesoema

Ti Wikipabukon
[ 106 ]

TJARITANA

RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA.


____


"Poen! Sapoen!

Ka loehoer ka sang roemoehoen,
Ka Goeroe poetra Hijang Bajoe,
Ka handap ka sang batara,
Ka batara Naga Radja,
Ka batara Naga Soegih!"

Poenika radjah pamoenah
paragi moenah sagala;
moenah lĕmah katoet imah,
moenah kajoe katoet batoe,
moenah tjaï katoet diri,
moenah raga sarĕng banda.

"Ngahatoerkeun sangoe poetih sapoeloekaneun:

ka Sang Ratoe Boeliger poetih,
noe tjalik di hoeloe pasir;
ka Sang Ratoe Djĕlĕgong poetih,
noe tjalik di hoeloe lĕbak;
ka Sang Ratoe Haroemoek poetih,
noe tjalik di sadasar ing tjai!"

"Isoen radjah pamoenah."

"Poen! sapoen!
ka radja Pakoean, noe tjalik di goenoeng Padang koelon;
ka Pĕrboe Ratoe Galoeh;
ka oewa boejoet Moeroegoel Mantri Agoeng,

[ 107 ]

noe tapa di djĕro goenoeng;
ka oewa Poerwa Galih, noe nangkĕs Padjadjaran!"
Waktoe keur ngadĕgkeun Padjadjaran dina tahoen Alip, dina boelan Moeloed, tanggal pingpat,

powe, powena Salasa,
nampian ka Tji-lohana,
nampian ka Tji-lohani.
waktoe njoesoek lĕmah ka dampa,
waktoe njoesoek lĕmah ka dampi,
waktoe njoesoek Tji-haliwoeng,
njoewĕr-njoewĕr Tji-sadane,
Tji-haliwoeng noendjang ngidoel,
Tji-sadane noendjang ngaler,
tjaina kiroeh ti girang,
tjaina kiroeh ti hilir,
di tĕngah tjanembrang herang,
pamoeroean gadjah poetih,
tempat ma'lim Tji-haliwoeng,
Pĕrboe Soesoek toenggal troenan,
ti soekoe Goenoeng Goemoeroeh,
djalaran ka Kawoeng pandak,
tĕroesna ka Batoe toelis,
dongkapna ka Padjadjaran.

Ari noe boga Padjadjaran Pĕrboe Siliwangi; patihna Kidang Panandjoeng, djaksana Gĕlap Njawang.

Dijoek djoedjoel ka pamikoel,
sila soendoel ka pangĕrĕt,
wĕdoek manggoelang-manggoeling,
taï teu teurak koe andjing,
batan ngakan dihĕrĕngan,
digogogan, disontrolan,
kalah pohang hoentoe andjing.
Koelit pipi lilipitan,
nja pingping daging soreneun;
koelit beuteung lilimboeheun,
tjawisan toembila meuting.

[ 108 ]

ngagiling boeloe bitisna;
ngarojom boeloe tonggongna;
ngajapak boeloe dadana,
dada doewa balik sikoe,
beungeutna beureum sabeulah,
ngangkang oerat dina tarang,
sagĕde laki-loeloempang.
tjirina menak noe bĕdang,
sabarna sakoelit bawang,
sakĕtjap kadoewa gobang,
adat Patih Gĕlap Njawang;
koemisna mani ngadjĕboeg
sagĕde indjoek sakakab;
koemis patjorok djeung djanggot.
matak rompang kana tjatoet,
matak rompang kana koedjang,
koemis henteu kerel-kerel,
Ngagajoen toewang kagoengan
sagĕde gadoeng pĕsekeun
reudjeung sanglir toedjoeh likoer,
boeloe iroeng digĕloengan,
siga bangbara ngalijang,
boeloe kelek dilelepe,
siga noe njorendang kodja;
boeloe taktak digoeloengan,
ditendjo ti kaänggangan,
siga anoe manggoel heurap;
poepoendakan mandi tjeuli.

Ari geus kitoe, ratoe teh hojong kagoengan poetra boengsoena. Tatapa ka goenoeng Hambalang, nendjo ka oedjoeng koelon, hĕnteu meunang terboeka, ngan meunang bae istri hidji ngaran Nji Padma Wati, istri djangkoeng noe koemisan, baloeng toenggal teu diboedjal, poetra Dewi Poehatji Wiroe Mananggaj, nagarana babakan Goenoeng Goemoeroeh.

Geus kitoe, njiram palaj hondje, njaoer panakawanana [ 109 ]kadenheus kai lengser, miwarang njijar hondje ka nagara Koeta pandak, ka babakan Moewara beres. Dibahanan doewit dalapan kĕton meunang dalapan paseuk ti nagara Moewarat beres, ti Gĕgĕr Malela, poetra Rangga Malela, poepoetra Nji Gambir wangi, soewan Moending Pakoean.

Geus kitoe, lengser balik:

tĕrĕlĕng apĕng-apĕngan,
toempak koeda lalagaran,
sangawĕdi awi tali,
selana doelang sabeulah,
bawaning roesoeh koedana.
Seng toeloej bae ditoengtoen.
Ditoengtoen teu daek madjoe,
dilaänan kadalina,
digĕboegan tĕroes maboer.
Lengser koelon, koeda ngetan,
loempat ngadjindjing kadali,
dagal-digil, sangkal-singkil,
ditjawĕtna poeril njĕntil,
gĕdena sagĕde pĕndil,
Koneal toewang kagoengan,
sagĕde indoeng tontolang,
reudjeung sanglir toedjoeh likoer,
badjoe kikik badjoe sĕnting,
badjoe sĕnting koelit moending,
koelit moending toedjoeh lirang.
kadalapan lima beuheug,
oekoer mahi kana sĕnting,
ngadjĕpat kantjing wadjana,
sagĕde empak gĕdogan,
goerilap tjatoet salaki,
sami kampaän kapalang,
koreh koeping sami pingping,
ngadjĕntoel boengkoel iroengna,
sagĕde hoeloean pitjoeng,
ngagaplok soren bĕdogna

[ 110 ]

ngaranna "bĕdog malela,"
sagĕde aloen-aloeneun,
aloen-aloeneun sabeulah,
lamoen dipikoel ti wetan,
angkeub nagara ti koelon,
boewah birit mani kapa,
balas katindihan keuneung,
mabakan di tjetjekolan.

Geus kitoe, lengser kapakoeng kasasah ka nagara Karang Siloeman; istrina Toendjang kantjana.

Katjarioskeun di nagara Moewara beres Nji Gambir wangi njiram palaj hondje. Ari hondje geus didjoewal ka ratoe Padjadjaran, disoesoelan koe lengser Moewara beres, dipoelangkeun deui doewit opat kĕton, dipenta hondje opat paseuk kasoesoel di nagara Karang Siloeman teja. Tĕpang lengser pada lengser ari tjek lengser Padjadjaran: "tah, mowal dibikeun, perkara hondje geus djadi djoeal meuli, djeung dibikeun mah toh pati djiwa raga, anggoer oerang pĕrang sabaraha boelan, taroeng sabaraha tahoen."

Gantjangna lengser ti Moewara beres ngarontok ka lengser Padjadjaran, pĕrang pĕrĕboet hondje:

silih irik, silih gitik,
silih doepak, silih sepak,
silih djingdjing djeung tampiling,
silih poendjĕng, silih oelĕng,
silih tĕnggok, silih tjabok,
silih djĕkok, silih bĕkok,
taroengna paoengkoe-oengkoe,
pĕrangna padjaga-djaga.
kĕras wĕdoekna noe soegoer,
kĕras bĕdas sapananjaän.

Gantjangna dipisah koe noe boga Karang Siloeman, koe patih Gadjah Siloeman teja. Mikoel gĕgĕndir beusi sagĕde moending saädi, dioengkoelkeun ka lengser doewanana.

Tjeuk patih Gadjah Siloeman: "oelah kitoe, hondje koe[ 111 ]doe beulah doewa masing opat paseuk sewang, karana goesti teh eukeur njiram, timbalan radja meureun harijaneun teu dipanghoekoemankeun karana di djĕro nagara oerang pisan."

Ari tjeuk lengser Padjadjaran: "soemangga, ajeuna kangdjĕng patih Gadjah Siloeman hondje dibeulah doewa, tapi koedoe dibahanan soerat ka ratoe di Padjadjaran." Ari saeusining soerat: "geus gĕde orang kawinkeun."

Pendekna lengser doewanana maroelang, hidji ka Padjadjaran hidji ka Moewara beres.

Enggalna pada datang ka Padjadjaran, njanggakeun sĕrat ka radja Praboe Siliwangi. Diaos ĕnggeus ka manah, "na, lengser, maneh njaho ti mana, tĕroes teuing djeung manah radja, radja ge nja kitoe deui, geus ageung oerang rendengankeun."

Tjek lengser: " soemoehoen dawoeh sadaja-daja, gamparan langkoeng njaho, abdi leluwih oeninga, lain gamparan baë anoe ahli noedjoem teh, abdi oge radjeun baë sanggeus ngiring teh, hanteu goegoeroe heula abdi teh djoldjol meudjit baë, taksiran rada karĕsĕpan palita".

Geus kitoe, ladjĕng ditoewang hondje teh koe Padma Wati sarĕng Gambir wangi, seëp sapaseuk sewang, sesana diboeang ka laoet kidoel, ka leuweung tanah Tji-damar. Anoe matak reja hondje di leuweung Tji-damar, nja-eta pasesaän anoe njiram.

Geus kitoe, Nji Gambir wangi ganti kahajang palaj toewang terong peuheur, kahajang sabeulah sewang. Geus kitoe dipangnejangankeun koe radja Praboe Siliwangi, terong ngan hidji-hidjina, dibeulah koe Gĕlap Njawang koe doehoeng Kidang panandjoeng, ditoewang sabeulah sewang koe Gambir wangi sarĕng koe Padma Wati sĕrta bari ngadĕgkeun saembara, djaksa, papatih, pamoek sarĕng para-wong agoeng, ponggawa sarĕng gĕgĕden. "Timbalan rama koedoe pada aroeninga ijeu anoe njiram sapanjiraman sapeuting sapatitisan oerang kawinkeun memeh ngadjadi oerang, tikahkeun memeh mĕdal, tĕpoengkeun memeh ngadjoeroe, salaki bawa ngadjadi, tjaroge bawa bonohade, doerijat bawa ti koedrat". Geus kitoe moelang Nji Gambir wangi ka Moewara beres. [ 112 ]Enggalna Nji Padma Wati babar di Goenoeng Goemoeroeh poetrana pamĕgĕt dina boelan Moeloed, tahoen Alip, tanggal pingpat, powe Djoemaäh; dinamaän Moending Laja di Koesoema, sĕrta ngowokeunana sapowe reudjeung sareng Gambir wangi poetrana istri, djĕnĕnganana Nji Dewi Asri.

Katjarios aja hidji ratoe di nagara Koeta barang Praboe Goeroe Gantangan palaj kagoengan poetra. Gantjangna diindjeum Moending Laja koe garwana Goeroe Gantangan ngaran Dewi Ratna Intan; dikoekoet Moending Laja koe Dewi Ratna Intan. Lila-lila Praboe Goeroe Gantangan roemaos sijeun kalindih, sabab kasep anom hĕnteu aja tanding djeung deui digdjaja:

mantjoer tjahjana ka manggoeng,
katembong ka awang-awang,
sagĕde galoegoer kawoeng,
sĕrta ejar kaëdanan,
lidig koe anoe njirian,
leuleus koe anoe ngadeugdeug,
sawan koe noe ngantanankeun.

Lila-lila Praboe Goeroe Gantangan teu pĕrtjaja, gantjangna Moending Laja dipandjara beusi. Ditoenda.

Tjarios lami-lami aja wirasatna ka soenan oewana, ka djaksa Seda Koewasa, ka Arija Patih Sagara ka Gĕlap Njawang, Kidang Panandjoeng, disoesoel ka Koeta barang. Barang kasondong dina pandjara sarta Praboe Goeroe Gantangan amarah katjida. Tjeuk Gĕlap Njawang sarĕng Kidang Panandjoeng: "koe naon sababna Moending Laja datang ka dipandjara?"

Tjeuk Praboe Goeroe Gantangan: "sadaja-daja oewa langkoeng oeninga, koering njoehoenkeun hoekoeman, da oewa teh ĕnggeus kolot, lĕgok tapak gĕnteng kadek, geus reja nja pamĕndak, geus oeninga kana pisalamĕteun Dewi Ratna Intan teh, pawarang abdi, didjaga salengkang nijatna". Tjeuk Kidang Panandjoeng sarĕng Gĕlap Njawang: "moen kitoe [ 113 ]mah, teu pĕrtjaja ka boedak, handjakal tĕmĕn diangkat pĕrboe anom, kapan tilih teh ajana di mantri, ari timbangan ajana di menak, anoe loenggoeh aja di ratoe, anoe ramping geus aja di goesti. Tjeuk Gĕlap Njawang: "perkara mah djamak". Ari Goeroe Gantangan njaoerna bari nangtoeng baë, ditewak koe Gĕlap Njawang ditjalikeun kana korsi. "Adoe manis, pĕrkara njaoer djeung sĕpoeh sanadjan djeung sasama koedoe aja tatakrama." Ngadegdeg Praboe Goeroe Gantangan sijeuneun Kidang Panandjoeng, Gĕlap Njawang.

Pendekna baralik Kidang Panandjoeng, Gĕlap Njawang ka Padjadjaran, tatapi teu ditjaritakeun jen Moending Laja dipandjara ka iboena ka ramana, sabab sina prihatin Moending Laja dipandjara (blz. 37).

Geus kitoe, lila-lila katingali koe iboena, koe Dewa Poehatji Wiroe Mananggaj, Padma Wati dibere impian, ngimpi dipaparin langlajangan kantjana goegoebar rarambong kantjana salawe landjaran, sorana di djabaning langit, ajana nagara Sorong kantjana, goerijang toedjoeh noe bogana. Geus kitoe Padma Wati pek oendjoekan ka tjarogena, ka Praboe Siliwangi, radja di Padjadjaran ngadĕgkeun saimbara dikoempoelkeun djaksa, papatih sarĕng pamoek ponggawa para-gĕgĕden, sarĕng poetra sadaja, dipĕrih pati koe iboena koe ramana; dipiwarang njoesoel impian teu aja noe sanggoep pisan. Geus kitoe Njai Padma Wati dek dikĕtok, dipotong beuheungna koe tjarogena Praboe Siliwangi, wireh ing dipoendoet boektina impian teja, langlajangan kantjana; Nji Padma Wati koeroe ati ngadjangdjawing, raga iga tanding gambang, wireh ing kasoesahan. (blz. 37)

Geus kitoe Nji Padma Wati ingeĕt boga poetra lalaki, nja eta Moending Laja di Koesoema teja, disoesoelan koe oewana teja ngaran Kidang Panandjoeng djeung Gĕlap Njawang ka nagara Koeta barang, ka Goeroe Gantangan. Moending Laja teh dipandjara beusi sarta diboewang ka dasar leuwi, ka leuwi Sipatahoenan. Tĕroes diamoek koe oewana sĕrta ditawoe leuwi SIpatahoenan teja, dikira djĕro lima [ 114 ]poeloeh gas, batoe tarengtong djeung keusik. Geus kitoe pandjara beusi teh ditjandak ka darat, geus beunang toeloej digisik ngĕmplang djadi dasar pamojanan di sisi leuwi Sipatahoenan. Enggalna ditjandak Moending Laja koe oewana moelang ka Padjadjaran, disanggakeun ka ramana, ka Praboe Siliwangi. Enggal sanggoep katjida njoesoel impian teja, soepaja nitipkeun iboena Nji Padma Wati, titip dirina, sangsang badanna; enggalna dangdan Moending Laja (blz. 43)

Gĕdjlig satjalana pandji
kĕdjat satjalana soewat
ngaloempoejoeng soetra woeloeng
ngalampoejang soetra kĕmbang
djoegoeng-djigang tjara wajang.
Njandak deui toewang kagoengan:
sindjangna poerbanagara,
toelis rĕjes niroe-niroe,
sina krĕndoe di djoeroena,
sina tarik di sisina,
sina mĕlĕndoeng tĕngahna,
koe perak koe intĕn djambroet,
dirapĕt koe intĕn doekĕt,
ambeh tjakĕp beunang dangdan,
ngĕmbat beulitan kantjana,
lĕngkeh toer bĕntenna ĕmas,
nete ka angkeng noe gĕnteng.
Njandak deui toewang kagoengan:
koetang reudjeung badjoe sangsang,
takwa badjoe beulah dada,
kantjingna parasoentika,
paragi ngajoega pĕrang,
berendel kantjing leherna
sagĕgĕde ĕnlog sowang.
Njandak deui toewang kagoengan:
kĕris paroeng gandja woeloeng,
doehoengna Si-toendoeng moesoeh,
ĕloek doehoeng sanga likoer,

[ 115 ]

pandjangna satoendjang loetoeng,
pandjangna satoendjang kidang,
eusina djoerig sakĕti,
salaksa doeroewiksana,
pamor togog ditjongona,
sagĕde andjing ngadjogo,
gagak ngĕlak ditĕngahna,
batoe lapa di gandjana,
patagitri sipoehanana,
ka kawajan pandaj domas,
landean matjokan samping,
ting taroetoet, ting taretet,
menta soekma reudjeung njawa,
geus heubeul teu makan gĕtih,
ngontjrong landean kantjana,
sigeugkeun dikahareupkeun,
kipatkeun dikatoekangkeun
tĕgĕp diangkeng noe santĕn
sijeup diangkeng noe hideung
rekep diangkeng noe koneng
make gĕde reudjeung djampe
midang reudjeung pangabaran
ditoengtoengan kinasihan
make manirakim leutik
ditoengtoengan koewĕs-koenjĕm.
Njandak deui toewang kagoengan:
oedĕngna batik manjingnjong
toelisna djalat djalĕtong
noe mahal di sabrang koelon
dibĕndo dibĕlĕngongkeun
ngĕrong manan tjangkang ĕndog
tjĕpak nonggong koleangkak
ngĕlir batan goenoeng tjoengging
lir mimis bĕdil mareuting
pikeun pelor mararondok
niron bĕndo Tjirĕbonan

[ 116 ]

paragi ngajoega pĕrang
sakeudeung paragat dangdan.

Moending Laja gantjang angkat djeung patih nagara sarĕng djaksa Seda Kawas, Kidang Panandjoeng sarĕng Gĕlap Njawang sarĕng Patih Ratna Djaja djeung Pĕrĕboe Liman Sondjaja, pamoek ti Goenoeng Goemoeroeh. Mariksa ka panakawan kadeuheus poen lengser teja: »eh maneh lengser dek ngiring atawa mowal?" Tjek lengser: »abdi sabil katjida, ari hĕnteu ngiring mĕlang koe sĕrĕdan, ari ngiring horejam koe titahan, sakitoe ge abdi ngiring bae ngan masing gĕten koe sĕrĕdan baë agan ka abdi."

Gantjangna Moending Laja angkat djalanna ka Padjadjaran.

Ejar anoe kaedanan
goejoer anoe kaparintjoet
loba anoe bobogohan
poerwa anoe hahadean
tjeleh anoe arek kawin
teu toeloes aja sababna,
kaliwatan Moending Laja,
ejar anoe menta talak,
oelah boh sipat djĕlĕma,
djoerig pating harariring,
setan pating halandeuar,
gogodongan ngararomong,
tatangkalan maridangdam,
hajangeun djadi di djalan,
ngarah kagaris koe sindjang.
Kaliwatan koe Moending Laja,
beuntjeuh kari ngeupeulan,
kasir kari niiran,
noetoerkeun ka Moending Laja.
Aja hidji nini-nini djoendal-djĕndil
mahoegi koe ali beusi,
norog koe haloe lolodok,
kaliwatan Moending Laja,
sawareh dangdan midjanaän:

[ 117 ]

Ramboetna diteulem heula,
ramboet poetih gĕr ditjĕlĕp,
katingal djiga soerili,
noe eukeur nganginkeun hoentoe,
hoentoe hidji dimangsian,
ditendjo ti kaänggangan,
siga monjet ngegel peundoeij.

Waktoena angkat Moending Laja lagoe Soeralaja:

Barang dongkap ka leuwi Sipatahoenan bangawan Tji-haliwoeng, Moending Laja mĕrih pati ka oewana, ka Kidang Panandjoeng djeung Gĕlap Njawang menta dipangmeunangkeun parahoe, hajang leumpang toeroet tjai. Kidang Panandjoeng njipta endongna baë, didjijeun parahoe Gĕlang kantjana bajoeta, satjawalat ĕmas.

Tihang lajar pontrang ĕmas,
ditoengtoengan soetra kĕmbang,
rantĕng tali areng-areng,
mĕlĕndoeng tihang pangbajoe,
pangbajoeeun sada kromong,
dajoeng ti Goenoeng Goemoeroeh,
noe djadi toekang galahna,
nja eta ti Padjadjaran,
noe djadi djoeroe-moedina,
nja eta ti Tji-pamingkis,
anoe djadi toekang boseh,
njeta ti Pagaden-sĕmprong,
Moending Laja geus balajar,
balajar lagoena dĕgoeng.

Teu katjatoer di djalanna, djaoeh mo boeroeng tjoendoek, anggang mo boeroeng datang.

Geus datang ka leuwi Moewara beres, Moending Laja boewang djangkar, ditanja koe oewana Patih Kidang Panandjoeng: »na boewang djangkar palĕbah dijeu?" Tjeuk Moending Laja: »eh soenan oewa, koering aja gĕnah panasaran, mati-mati boewang diri, bedjana aja poetri leuwih geulis di nagara Moewara beres anu ngaran Dewi Asri, [ 118 ]diperih pati pandatangkeun ka dijeu ka djamban larangan. Atoeh oewana boeboehan sepoeh teu ngawoelakeun, dibere wisaja djampe mĕntjok, djampe intjok". Broek dibaoerkeun, teu lila datang wisaja daoen tjaringin tibalik mani aloem dangdaoenan, leumpeuh kĕkĕmbangan, angin loeloemboengan baë ngambah ka djalma loba, lain angin samanea, wisaja Kidang Panandjoeng, aboes ka djĕro koelamboe. Teu lila Dewi Asri indit ka djamban larangan sarĕng eudjeung ĕmban-ĕmban.

Teu lila patĕpoeng djeung Moending Laja, tjeuk Dewi Asri:

»Kopo tjondong djeung djengdjoho,
taleot djeung talawoengan,
Raden Moending Laja sono,
Dewi Asri mah geus komo,
galejoh kana lahoenan,
tikoekoer di goenoeng Poetri,
nja walik matjokan anjam,
soekoer moen toeloes ngadjadi,
malik meureun koemaonam."

Gantjangna Moending Laja ditjandak moelih ka boemina Dewi Asri, Moending Laja toeloej mantjoeh koe ali, tjingtjin, geulang ĕmas harga satimbang nagara.

Tjeuk Moending Laja: »bisi datang anoe ti kaler, anoe ti kidoel ĕntong ditampa, nja akang tjaroge njai, tatapi ajeuna akang rek indit ka djabaning langit, nĕpoengan goerijang toedjoeh. Geus kitoe Moending Laja toeloej angkat.

Teu katjatoer di djalanna, tjoendoek ka batoe patjakoep, ka Sangijang tjadas patenggang oewana. Toeloej ditoenda, ditoeroeban koe parahoe. Moending Laja toeloej indit, inditna sorangan bae, mĕtoe alas mandjing alas.

Geus tepi ka leuweung langgong papanggih djeung Jaksa Majoeta, gawena keur ngoentaj beusi ngagolak, oerajan wadja sagĕde moending doemĕlĕg. Koe Moending Laja ditanja: »djin atawa setan, iblis atawa manoesia?" Jaksa Mangjoeta malikan ambĕkna kabina-bina:

»ngadingding sagĕde pasir,
ngaroenggoenoek nanding goenoeng,

[ 119 ]

ambĕkna lir goenoeng djadi,
goerang gĕroeng sowarana,
hoentoena sagĕde patjoel,
sihoeng sagĕde balioeng,
iroengna sagĕde bĕdoeg,
tjeulina sagĕde tampir,
mata sagĕde tĕrĕbang,
halisna sagĕde pingping."

Dakina dina tonggong satoendjang peundeuj, ramboetna doewa bĕlas lambar, sirahna boetak sabeulak balas pagĕret djeung langit, djangkoeng lima ratoes asta, koemisna ngarojom ka lĕmboer deungeun, mani dangdaoenan mani rigil, daoen tjaringin rarigil kababoek koe koemis kentja, bitis beusi poerasani, tarang di gading malela, tjoengtjoeroengan beusi woeloeng, tjawĕtan kasang toedjoeh laboehan ditoemboean tambang indjoek, kontolna sagĕde pelor, sanglir toedjoeh lawe, koetoe bajoerna sagĕde koeja, lisana sagĕde ĕndog sowang, nintjak batoe mani rĕmpoe, nintjak tjadas mani rĕmpag, nintjak tjadoek teu ngagehan, koprak toenggang gamparan beusi, bobot tigang poeloeh kati, lilingga sagĕde pilar.

Sanggeus kitoe jaksa toeloej ngarontok rek ngahakan Moending Laja, Moending Laja teh hĕnteu beunang.

Tĕrĕlĕng atjlĕng-atjlĕngan,
marengrengan totopengan,
lingas batan koetoe andjing,
koetoe andjing lalakina,
ana kapĕrĕgo njabok.

Gantjangna toeloej pĕrang, Moending Laja teroes pĕrang beunang.

Ditewak djadi sahoewap,
dibeuweungan hanteu teurak,
koeriling mipir goegoesi,
rĕntang mapaj tjareham,
loentjatan ka djĕro wahangan,
sĕrta pajoeng teu dilingkoeb,

[ 120 ]Geus kitu Munding Laya asup ka jĕro beuteung yaksa: Lalĕga gumblang gamblang, Munding Laya narik kĕris ditatas rantuyan ati.

Dikeureut disimeut-simeut,
dicacag diwalang-walang,
uwa yaksa gĕrang-gĕrung,
pajar maneh cacing nyayang,
cacing kalung ting kurumuy.

Munding Laya heran kacida ngĕrik pikir nyeler budi wawanen, geus gĕr diduruk nyasate di jĕro beuteung, Munding Laya nyiyeun maranggi di jĕro beuteung yaksa, parandene teu dirasa, horeng yaksa boga jimat mustika wĕlat sajagat dina ĕlok ĕlakanana, jimatna beunang ku Munding Laya tĕrus diteureuy bae, ngurup ngabaju ngaraga sukma manjing kana salirana, Munding Laya tĕrus ka luwar, yaksa dipĕrangan ditewak sukuna sabeulah, tuluy rubuh, porang haralang tatangkalan katinggang ku yaksa teya, yaksa tĕrus ditalukeun, totopongna dilaän, bajuna sarĕng sampingna kasang tujuh lahunan, larangan tĕrus dipontrang ku apu sarĕng ku mohong, sirahna misti ku luwah.

Ditenjo ti kaänggangan,
siga ungkut-ungkut moyan,
sarĕngna dititah ngising,
sagĕde huluan picung,
jeung modol tujuh pengkolan,
dĕngdaän baha ka menak,
sarta trus misti dihakan.

Cek Munding Laya di Kusuma: "Kumaha rasana?"

Ceuk yaksa: "nya kĕsĕd nya pait". "Bisi teu nyaho nya eta jajamu galian."

Geus kitu, Munding Laya tĕrus ngapung.

Laguna ge pangapungan,
nilik langit nĕrus mega,
nojer ka bujal buwana,
sarta nengkep indung suku,

[ 121 ]

indoeng soekoe ti katoehoe,
sĕmproeng Moending Laja ngapoeng.
Dina saloehoereun goenoeng,
ngapak sahandapeun mega,
mipir dina katoembiri,
njoekang dina kilat pandjang,
kareueukan mega malang,
mega malang anoe hideung,
katoeroeban awoen-awoen,
kantjaängan mega bodas,
djĕboelna ka poetjoek iboen,
rĕntang ditangkalan hoedjan,
soemping ka rambat sagĕntĕng,
noe kaheuleutan koe beurang,
djeung kaheuleutan koe peuting,
pahiri-hiri djeung geuri,
paheula-heula djeung heulang,
awor djeung manoek dawolong,
pahoewit djeung manoek beusi,
boeroeboel saaloen-aloen,
barabat sawidak deupa,
lapat-lapat katingalan,
rĕntang sagĕde papatong,
rĕntang sagĕde bangbara,
rĕngking sagĕde papanting,
soemerepet tanding walet,
soemeak tanuling kadantja,
kadantja moeroe raratan,
kawas djogdjog moeroe mondok,
kawas walik moeroe lamping,
moeroe pameutinganana,
kawas tjioeng moeroe goenoeng,
moeroe pangaoebanana,
seueurna ka mega hideung,
teu njimpang ka mega malang,
salawe simpanganana,

[ 122 ]

simpangan ti kahijangan,
datangka toendjang boewana,
kana pongpok sarangenge,
ka aki Geleng Pangantjingan,
pangantjing langit pingpitoe.

Moending Laja kotjap datang ka kahijangan ka ejangna, ka Dewi Poehatji Wiroe Mananggaj teja, ka koedang Sri Mandala mahi, ka gĕdong Maneuh Mandala pageuh, ka iboe Poehatji Naga Wiroe, ka iboe Poehatji Rangga Sijah, ka iboe Poehatji Karana Leuwih, ka rama Seda Kawasa, ka Pĕrboe Sapala, ka noe mangkon para tjahaja teja, ka noe leuwih teu keuna koe ipis wadah, teu keuna koe owah koe noe sok pada-saroemping koe andjeun, ngamitkeun goerijang toedjoeh, njoehoenkeun langlajangan teja, wirehing impian iboena.

Ari tjeuk ejangna: "ejang teh soesah katjida, karana goerijang teh geus kapaparin djimat doehoeng kaboejoetan pakarang panimatan, tapi lamoen Raden bisa ngadjadikeun aki, teu sawijos paling heula lalajanganana, sijeun kaget, heran sabab njijeun pilalakoneun, oelah gorodjog tanpa raratan."

Ari tjeuk Moending Laja: "njoehoenkeun hibar kĕrsa ejang."

Teu lila Moending Laja ngagedog salira, wantoening tĕroes ing ratoe, rĕmbĕs ing koesoema, kĕrsa ejang Moending Laja djadi angin, angin poejoeh lilimboengan, angin barat reureundahan, lain angin poejoeh lilimboengan, lain angin barat reureundahan. Poegoeh soeroepan Moending Laja teja, toeloej ngapoeng. Teu lila lalajangan tĕroes beunang disoewal koe goerijang toedjoeh. Gantjangna goerijang pĕrang djeung angin, angin teh téroes bae neuneun lalajangan ditingalikeun ka ejangna, leungit angin djadi Moending Laja deui. Toeloej bae goerijang teh diperangan tĕroes ngapoeng, babi oerang manoesa toekang maling lalajangan, ijeu teh nagara aing sorangan, gantjangna ajeuna mah sija dilěbok goerijang toedjoeh. Pek ngarontok Moeding Laja dipĕrangan, tatapi teu beunang baë. Malah-malah Moending Laja mindahkeun roepa kana pajoeng; Geus beunang pajoeng koe goerijarg disasaäk, koe Moending Laja pek ditewak goerijang, pada newak, tina [ 123 ]matihna djimat goerijang doehoeng kaboejoetan, teurak kana oedĕngna, Moending Laja tĕroes kalah. gĕdĕboeg njanghoeloe ngidoel, geus Moending Laja teu bidjil soekmana, kaloewar tina koeroenganana ngaroepakeun awewe dingaranan Dewi Soekma.

Pek Moending Laja digĕbĕran koe kĕkĕmběn, dihatiean koe awewe teja, lagoe koe tjara sisindiran:

"raden teh lalaki langit,
raden teh lalanang djagat,
batoe toeroen tjadas ngampar,
leumpang dina taneuh beureum,
taneuh beureum kalandeuhkeun,
wirang teh katoeroeg-toeroeg,
kadjang leutik sabadjami,
gondjaë parandjang gagang,
oelah miris pipikiran,
tjangkoerileung beureum beuteung,
tjangkoerawok hedjo tonggong,
manoek lĕmboet pandjang boentoet,
tadadad nangankeun maneh."
Ting harewos njimas lantjoeng,
geura poegoeh kalakoean,
pakantinoen panganggeusan,
hiroep gĕde panoengtoengan,
taroeng teh sabraha taoen,
pĕrang teh sabraha boelan."
Top rontok dagorkeun, top tewak talian:
»geura silih andjoek oemoer,
geura silih hoetang njawa,
oemoer teh geura lindoerkeun,
njawa teh geura hoetangkeun,
montong inggis mitjeun pati,
montong rempan mitjeun njawa,
montong inggis da lalaki,
montong rempan da lalanang,
poepoes mah koering tiloena,
hilang mah koering siděkah,

[ 124 ]

mati mah ngabanjoe mili,
si djantoer eukewr toedjoehna,
si bikang dibakakakeun,
pajah mah si kate bĕlek.”

Sakitoe ge Moending Laja geus djongdjon baë, hanteu ingĕt, da anoe ngomongan teh di loewar soekmana.

Geus kitoe Dewi Soekma teh njampeurkeun ka goerijang teja, toeloej dibibitaän goerijang teh, soepaja teu barang toewang.

»raga iga tanding gambang,
sotja mani bararintit,
gawena ngan tjeurik bae,
djaksi teh dipipir boemi,
kananga dikadjalankeun,
abdi teh nangis goemati,
Den Laja dikamanakeun,
pileuleujan tjangkang bejas,
hoeoet sadjĕroning kedjo,
pileuleujan oelah iklas,
imoet sadjĕroning nendjo,
haroeman goenoeng haroeman,
oeroet koering mapag lemo,
eusina katoentjar hideung,
kaloeman beuki kaloeman,
oeroet koering pagalentor,
ajeuna patoeraj tineung,
koema teuing diri koering,
goreng nakĕr toetoelisan,
awak teh naon halangan,
palangsiang aja tanda,
tanda wisnoe teh kapĕndĕm,
kapĕndĕm dina koeroengan,
malang bengsal dina badan,
tanda bodas teu kaboeka,
batin teuing bagdja awak,
dek aral koemaha baë,

[ 125 ]

kamana djalan ka tespong,
ka Bandoeng djalan ka Galoeh,
patjar tigoeling ka leuwi,
kikis ngĕlir ka basisir,
ki sampang si rantja galih,
toelang seel bĕbĕsaran,
kamana nja noeroet nepong,
indoeng bapa ĕnggeus djaoeh,
noeroet nepong ka gan mantri,
inggis koe sijeun dioesir,
rempan sijeun teu ditampa,
hanggasa bawa ti goenoeng,
dipipit bawa di rawa,
ka saha nja soemalindoeng,
nitipkean raga djeung njawa.

Ditoenda.

Tjarijos kawĕntarkeun, kabedjakeun, kasilimkeun, kaanginkeun ka nagara Koeta barang ka Goeroe Gantangan, ka dalĕm di Koeta barang Pĕrboe Radja nangkoda.

Kotjap boga koekoetan, sidji Soentĕn Djaja, doewa Dĕmang Rangga Kasontĕn, tiloe Arija Disontĕn, kaöpatna noe istri Dewi Ratna Kantjana.

Dĕmi tjeuk ramana: »eh Soentĕn, tjoba lamar deui Dewi Asri ka nagara Moewara beres, bedjana bobogohan ka Moending Laja, ajeuna geus paëh kasamboet goerijang toedjoeh, malak geus datang soeratna ka Padjadjaran, djeung dihiroepan oge ngarah naon lakian ka Moending Laja, kokoro njoso, mararat rosa, ipis doenja handap koeta, tjawĕt karo poeril, tjalana karo beutian, mĕnding ka Soentĕn Djaja lakian mah, noe loehoer koeta nja rosa oewang, djeung anak nangkoda sarta koekoetan menak Koeta barang.”

Gantjangna indit Soentĕn Djaja sadoeloer-doeloerna, ngaroengkoep koe tijoep, ngalengkah koe joeda ngarendeng koe kagĕdean, ngahina koe beubeureuh poetra ratoe waktoe angkat ka noe beunghar, sadjalan-djalan tjirigih katjida, sarta sagala ditadjong, anoe mojan bluk disepakan: [ 126 ]

noe ngalantoeng bĕk ditoemboek,
ngalawan ditampilingan,
anoe nendjo ditjidoehan,
anoe ngising ditampiling,
anoe ngisang ditjemplangan,
noe tjetjewok dilolowok,
noe silanglang ditoempakan,
ari ĕnggeus diteuleumkeun,
indit sampingna didjingdjing,
boeboedi tjara kijai,
lelewa kawas pandita,
lĕlĕgĕd koesoema bangĕt,
bari matja poedji baë,
dikirna ge sabilloellah,
badjoe kikip badjoe sĕnting,
beunang diparet koe kantjing,
wantoe djalma anoe ginding,
barina ngadingdjing samping,
djreung bisa leumpang ti peuting,
noe tara digogog andjing,
djeung sok bisa maling daging,
lain daging koeda moending,
daging sĕla-sĕla pingping,
kebeukina anoe ginding,
dimana noe geulis meuting,
ari di noe denok mondok,
ari ka noe lĕndjang sindang,
di noe goreng poelang powe,
nambahan bilanganana,
ana mondok tjadoe norog,
mahoegi koe ali beusi,
djanari dipoendoet deui".

Tjeuk Soentĕn Djaja: tjik anoe gadoer nagara sampoerasoen nĕda eureun, sindang nambaan palaj pepes kesang, mantog deui anoe boga nagara.

Gĕgĕr Malela saderekna Dewi Asri teja kaget nendjo [ 127 ]semah baragadag birigidig; atoeh kadijeu tjalik ka bale si pangeujeukan.

Goeloesoer baë Soentĕn Djaja tjalik ka manggoeng, kana lampit soengging lawe lapis, lampit soelam tambir ĕmas, djelegedeg edeg-edegan.

Ari tjeuk Gĕgĕr Malela: »semah teh bĕt ngokorokeun djahat katjida, ngaroeksak dangdanan, seng baë dipariksa koe Gĕgĕr Malela: »semah bĕt ngokorokeun djahat katjida, sampean anoe timana lĕmboer matoeh dajeuh maneuh bandjar karang pamidangan, lĕmah tjai kapoetihan, bale geusan ngadjadi, sĕrta saha toewang djĕnĕngan, pare satĕngah tiaëng rek naon pisĕdjaeun, toetoep djoeroe oempak lintjar geura pok bedjakeun”.

Ana poentjĕrĕng teh Soentĕn Djaja: »heran katjida koe oerang Moewara beres, bisi hĕnteu njaho nja oerang anoe ngaran Soentĕn Djaja, poetra nangkoda noe digdjaja, anoe loehoer koeta rosa doenja anoe rosa banda teja, anoe ngaran Soentĕn Djaja teja.

Gĕgĕr Malela hoökeun baë nendjo semah ditanja pibedjaeun anggoer ngagoelkeun banda baë.

Ari tjeuk Soentĕn Diaja:

»ari oerang saĕnjana,
lain lantoeng tamboeh lakoe,
lain lentang tanpa bedja,
teu andĕng samian keuneung,
teu lentang samian midang,
lantoeng aja pilakoeeun,
lentang aja pibedjaeun,
dek ngalamar Dewi Asri”.

Pagar bobogohan djeung Moending Laja sidik atawa hĕnteu?”

Ari tjeuk Gĕgĕr Malela: »sadaja ge geus tĕrang katjida, Moending Laja ka Dewi Asri kabogohna ti bareto, kahajangna ti baheula, ngan doeka lamoen ajeuna, bedjana dipĕrih pati koe iboena koe ramana dititah njoesoel impian, ngapoeng sadjabaning langit, njokot lalajangan teja, teu atjan aja bedjana datang deui. Tah kitoe tjeuk patih nagara. [ 128 ]Ari tjeuk Soentĕn Djaja: »kapan ĕnggeus kodjor ditĕkoek goerjjang toedjoeh, ajeuna mah ka oerangkeun baë.”

Ari tjeuk patih nagara: »tatjan gasik nampi, oerang saoer heula baë djinisna Dewi Asri teja”. Teu lila djol datang ka pamĕngkang ngadeuheusan ka saderekna:

»Lakotoj sangkeloh mando,
esod ngempor djeung karembong,
idĕk likĕr djeung kĕkĕmben,
tjong ditarimbang koe sĕmbah,
doeh ĕngkang sadoeloer koering,
sabĕndoe-bĕndoe disoehoen,
sadoeka-doeka ditĕda,
sim koering gadoeh pihatoer,
njoehoenkeun soerija padang,
ĕngkang naon pikĕrsaeun,
bĕt njaoer ka djisim koering".

Ari tieuk Gĕgĕr Malela: »ijeu rek ngoeningakeun semah, sĕdjana ka ĕnden pisan, Soentĕn Djaja poetra nangkoda ka njai arek ngalamar:

»Bet Nji Dewi kĕlet baë,
kawas mata moending boele,
giroek bari mere sĕmoe,
djĕbris bari mere boedi,
godebag mere pitoewah,
lelewa teu panoedjoeeun,
mere batin nja lalaki,
matak kĕsĕl ngagarindjĕl,
matak ngewa amatanan,
matak geuleuh soepa beureum,
matak djĕlek ngalembereh,
kĕmbang wera kĕmbang beureum,
kĕmbang gandarija manis,
matak era deungeun-deungeun,
matak tjararija kami.

Kami teh boga beubeureuh, beubeureuh kami lain Raden Djaja, loetjoe poendoekna sĕrta lesang tarangna djeung deui [ 129 ]loetjir pipina, nampian ka Tji-dalima hĕnteu kopo-kopo atjan, handeuleun raraga djati, palataran babalean, tjaroge iklas raga djeung pati, lantaran eudjeung tjaroge, kadjeun teuing kokoro njoso, sok mararat rosa, soepaja kasep tjaroge:

»kadjeun moending boeloe hiris,
kadjeun koeda boeloe landak,
ka djalan ka parijakeun,
kadjeun ge ngĕdĕng boeligir,
goledag hanteu disamak,
soepaja djeung Raden Laja.

Geus kitoe tjeuk Soentĕn Djaia: »koedoe baë njai, teu bogoh koedoe bogoh, teu hajang koedoe hajang, teu dek lakian misti lakian, mĕnding mana koe akang dipaksa djol win baë.”

Djawab Nji Dewi Asri: »mangga koering tjarogean, roepakeun pamenta koering. Menta nagara djeung eusina, menta goedang dalapan poeloeh djeung eusina masing ĕngab djeung eusina goemirintjik boemi langit:

gĕdong gĕdah beunang natah,
bilik gĕdah lojang sari,
tihang gĕdah beunang natah,
reudjeung menta bokor ganggong,
bokor ganggong noe salongok,
nanampan anoe satoendjang,
ĕmas doekĕt golondongan,
djeung menta ingon-ingonan,
ingonan noe soemarajap,
reudjeung anoe soemarandang.
Menta banteng sĕmoe gading,
toengganganeun mantri-mantri.
Menta gadjah anoe bĕlang,
sarta parabotna ĕmas,
toelale gading kantjana,
sihoeng di gading malela,
ngagĕbaj boentoet banjoemas,
tjeulina parada papan,

[ 130 ]

toengganganeun pra-ponggawa,
Koeda hedjo samparani,
toengganganeun mantri-mantri.
Gĕr sagala karasmenan,
karasmen ngarak panganten,
karasmen rendengan kawin.
Sarta reudjeung menta hajam,
hajam djeung koeroeng batangna,
boeloe mĕri lojang sari,
hoeloe sowang lojang ĕmas.
Djeung menta poejoeh boentoetan;
djeung menta peusing sihoengan;
djeung menta peutjang tandoekan.
Menta bilatoeng toelangan;
djeung menta oelam igaän,
eudjeung hoeloe seureuh koedoe,
djeung deui bakakak gadjah.
Sanggeus kitoe, gĕr tanggeujan
tanggeujan toeroen bantajan
ambek sohor ka nagara
sohor ka nagara deungeun
menta dangdanan gĕdogan
gĕdogan ki djati noenggal,
toendjangan boengboelang peutjang,
dadampar ki djoelang anom,
limboehan kai tanggoeloen,
djingdjingan kai tanggilin,
soeri awi tali moenggal,
toropong tamiang sono,
titihan koeningan sari,
tali tjaor oentoen sewoe,
tali hapit dĕmpet angkeng,
mangga koering tjarogean,
roepakeun kahajang koering,
da pira daradjat koering,
njijar sakoemaha deui,

[ 131 ]

ninggang kana babasaän,
oerang moen njair djoengdjoeloeng,
kabĕnĕran meunang dĕgoeng,
njair hoerang meunang loebang,
tjoel batok meunang patehan,
pira daradjat sim koering,
lakian meunangkeun soenan".

Ari Soentĕn Djaja reup baë ngahoelĕng:

ngahoeroen baloeng koe toelang,
ngagaro kontol koe tjokor,
ngadĕmpet sirit koe pingping,
sĕmoe-sĕmoe anoe poesing,
sihoreng djamĕdoed poendoeng.

Reup geuneuk maleukmeuk kawas beusi atah beuleum, mani angkeub nagara koe baeud Soentĕn Djaja, roebak biwir batan simboet.” Naha pepentaän teh liwat ti meudjeuhna teuing, sok kadjeun banda saradia banda mowal boeroeng roepa, da ĕngkang teh djalma kaja, ngan ijeu baë dipentaän poejoeh boentoetan, peutjang tandoekan, peusing sihoengan, ĕngkang teh soesah katjida”.

Ngeng baë kadenge koe panakawan, ari tjeuk lengser: »bĕnĕrna roepakeun baë agan pamoendoet sakitoe mah, da ĕneng teh mani boendĕr ti loehoer ti handap, ontong sapantaran agan, tjatjakan, abdi kapoengkoer basa kawin ka Si-roeroejĕm aja oge pamentana: wawaloen boetoet toedjoeh likoer, tjaretjet soweh salawe, ditambah ipĕkah sapoeloeh baroe, mas kawin sapoeloeh doewit.

Ari Soentĕn Djaja ngadenge omongan lengser, gĕdjlig baë balik, napsoena ngagoegoedoeg, amarah teu kawadahan, ambĕk njĕdĕk. Ari tjeuk lengser: »daëk batjot teh kamana semah teja, si djamboe asak teh, dipentaän sakitoe-kitoe baë koe agan, miris pikir njeler wawanen, kelor hedjo sisi pagĕr, noeroes toengdjoeng ka antoekna, sĕlang kitoe oge barang datang ka oerang deui teh parangas-porongos, toengtoengna djadi perenges.

Katjarita Soentĕn Djaja ĕnggeus datang ka nagara Koeta [ 132 ]barang, gawena djamĕdoed poendoeng, dipariksa koe ramana koekoetan, koe radja nangkoda teja: »eh Soentĕn, koemaha ngalamar teh asoep atawa hĕnteu?

Ari tjeuk Soentĕn Djaja: »tjoemah ama, geus kahalang koe batjot oerang Padjadjaran, ari Dewi Asri teh daëkeun si daĕkeun djahat pamentana, diëtang bari moelang, ditoelis bari balik, koedoe roepa banda salawe kapal.”

Ari tjeuk ramana: »montong moendoer da oerang teh hanteu miskin, loehoer koeta gĕde doenja, rahajat nangkoda woengkoel, sadajana dek ngadjoeroeng, malah-malah oerang Padjadjaran oge teu akoer ka Moending Laja, akoerna ka oerang kabeh, soepaja Raden asoep ngalamar. Gantjangna njaoer ka Patih Halang barang:

gĕgĕdoeg di Koeta barang,
mantri noe hideung koelitna,
ponggawa bĕlang bajahna,
nja kitoe deui letahna,
awakna bĕlang sabeulah,
tjitjiren lalanang djagat,
lalakina kolong langit.
Gantjang ngadĕgkeun sembara,
nakol bĕnde kaboejoetan,
pĕntoelna sagĕde gardoeh,
disadana dĕg tjengengeng,
boeroeboel anoe koempoelan,
sadaja seba sewaän,
tjektjok menak noe ti koelon,
giringan Raden Kaliwon,
toetoenggangan moending dongkol,
moewatan djagong djeung ĕngkol,
morobot sowara pestol,
sora pelog djeung koromong,
tambah djeung sora biola,
kĕndangna tjatang kalapa,
ditoetoepan koelit domba,
dirarawat ki samodja,

[ 133 ]

ditakolan laki randa,
leumpangna pating darĕpa.
Kagĕntos menak ti kaler,
giringan menak ti kaler,
giringan Raden Dipaten,
sebana ronggeng djeung topeng,
ĕnggeus nerengteng kĕndangna,
kĕndangna koeloewoeng djambe,
dirarawat howe sĕbe,
noe mawa para tjawene,
ditakolan koe ki lĕbe.
Boeroeboel menak ti wetan,
iringan Raden Koemĕndang,
toetoenggangan koeda bĕlang,
sebana gambang djeung wajang,
emprak soerak reudjeung tĕmbang,
gamĕlan katoet badingdang,
gĕndangna kai boeboetan,
ditoetoepan koelit peutjang,
dirarawat howe kidang,
ditoempakan boedak boedjang.
Boeroeboel menak ti kidoel,
giringan para toemĕnggoeng,
sebana tjaloeng djeung angkloeng,
gobag boentoeng bahoe roejoeng,
dibaän koe indoeng-indoeng,
ngagoeroeh ka aloen-aloen.

Kotjapkeun pada tjaroendoek ka aloen-aloen sewoe tahoen.

tanah lapang sewoe tjĕngkal,
di latarna heurin oesik,
ngĕpoeng sakoeriling boengking,
djadjar papandananana,
mĕlĕngkoeng oemboel-oemboelna,
ngabaris sampiranana,
ngalĕmĕng bandera beureum,
bandera beureum sapotong,

[ 134 ]

tjitjiren noe sĕsĕrahan,
anoe sĕsĕrahan banda,
sarta didjoemlah bandana,
ngalindĕr salawe kapal,
di leuwi Sipatahoenan.

Patih nagara mĕrtjajakeun: „wah lengser geus mangsa bodo maneh baë, wong agoeng sarawoeh pamoek, balad reudjeung panajagan, tatakeun geura pĕtakeun, pĕrtjaja ngan ka maneh.”

Ari lengser kakara dipĕrtjaja bĕngis katjida, tatalipak ka panajagan, naradjang ka toekang heot dalapan poeloeh: „geura monjong batjot sija sato ti ajeuna. Naha boetjat-batjot teuing lamoen biwir kitoeh, roesoeh batjot baë.” Tjeuk toekang heot: „naha iraha mangkana sĕsĕrahan banda teh?”

„Mangkana mah toedjoeh powe toedjoeh peuting deui, ngan koedoe monjong ti ajeuna, lamoen hĕnteu daëk monjong, ajeuna digoenting, biwir sagoeling tjinggir.” Ari tjeuk toekang heot teh: „digoenting biwir sagoeling tjinggir mah atoeh bejak, mĕnding monjong ti ajeuna, isoek biwir ti handap, ajeuna biwir ti loehoer.” Soerak dalapan poeloeh: „koedoe tjalangap ti ajeuna, moen hĕnteu daëk tjalangap didjoegang.” Mĕnĕr deui ka toekang sepak dalapan poeloeh: „geura djengke ti kiwari, moen teu daëk djengke dibadjeg, pĕdangna geus ngabar diloewar.” Mĕnĕr deui ka toekang godĕg dalapan poeloeh: „geura dengdek ti ajeuna, moen teu daëk ditjĕkek.” Mĕnĕr deui ka toekang bĕkok dalapan poeloeh: „geura tjawel boedjoer ti kiwari.” Mĕnĕr ka toekang kĕndang, panakol: „geus masang baë liar kana iroeng batoer.” Lengser teh ripoeheun katjida, tĕng ka koelon, tĕng ka wetan, tĕng ka kaler, tĕng ka kidoel, mĕtakeun balad djeung panakawan, pamoek djeung para wong agoeng, ponggawa, pĕrboe, para gĕgĕden, djeung ngoeroeskeun anoe njamboengan, djeung metakeun ondangan, djeung ngabereskeun toekang boseh, ngarijoengkeun toekang angkloeng reudjeung toekang dajoeng,

ngadjadjarkeun toekang galah,
ngabariskeun djoeroe moedi,
mĕlĕngkoeng oemboel-oemboelna,

[ 135 ]

ngabaris sampiranana,
djadjar papandananana,
ngĕlĕmĕng bandera beureum,
bandera beuream sapotong,
tjitjiren toeroes bantajan,
lengser djeung meuntjitan ĕmbe,
didjoemlah salawe ĕmbe,
djeung dipeuntjitan boentoetna.

Geus kitoe ĕmbe teh diangeun dina kantjah,

gĕdena salawe deupa,
boeat marab panajagan.
Ari ditejang angeun teh,
geus bejak euweuh boekoeran,
kapanggih rajap di darat.

Geus kitoe lengser loempat ka oebroeg:

ngadadak marentah olah,
oerang dapoer kabeh goegoep,
wantoening olah dadakan,
ngedjo geura dimĕnjanan,
ngawadjit ditarasian,
ngaborondong diontjoman,
ngasakan djantoeng dipindang,
ditjotjol ojag daoenna.

Teu lila harita indit banda noe salawe kapal:

ngalidĕg di Tji-haliwoeng,
ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut,
ngĕmbat ngantaj njatang pinang,
ngagoeroeh djeung tatabeuhan.
Teu ditjatoer di djalanna,
tjatoerkeun datangna baë,
ka leuwi Moewara beres.
Sĕrtana Goeroe Gantangan,
ngahandjatkeun balad-balad,
ponggawana tigang laksa,
pamoekna dalapan poeloeh,
rejana noe rek ngarampog,

[ 136 ]

ngarampog ka Moending Laja,
bisi datang beurang peuting,
pakarang rongsog ka tjai,
toembak teu disarangkaän,
pĕdang geus ngabar di loewar,
bĕdil beunang ngamimisan,
pestol geus beunang meloran,
maryĕm beunang nĕtĕgan,
sadija piroewang leugeut,
ngagoedag beh baroewangna,
ngadjolor pongkol bintaro,
geus rampak boerang malela,
ngadjĕgir gaganden beusi,
sagĕde moeding saädi,
wantoening parabot rampog,
sajaga kabina-bina,
mantrina ge tigang kĕti,
sarta noe beunang milihan.

Geus kitoe Goeroe Gantangan toeloej baë ngahandjatkeun toekang bas anoe bade ngadĕgkeun nagara teja, satjabakna-satjabakna, toekang balijoeng dalapan poeloeh, toekang tatah tigang laksa, toekang ragadji tigang kĕti, toekang soegoe tigang reboe, toekang rimbas tigang laksa, toekang tjoretan tigang lawe, toekang kajoe aja bakoena, toekang noewar aja lawanna, toekang kajoe geus ngabakoe.

Kotjap balad Soentĕn Djaja,
ngagoeroeh tanpa roeroekan,
sada bitoeng kahoeroean,
ngagĕdĕr tanpa bilangan,
sada tamiang bareke,
lamoen didoeroek morobot,
nja kitoe sora pakarang,
haliwoe kawas noe nawoe,
wantoe noe eukeur ngadĕgkeun,
ejar kawas anoe marak,
toekang kai lain deui,

[ 137 ]

karek roeboeh beunang noewar,
geus digdig datang noe meulah,
di djalan keneh dibeulah,
tatjan sapat geus dipapas,
tjoendoek deui toekang soegoe,
djol deui toekang sipatan,
ĕnggeus hĕnteu ngoeroes deui,
keuna kana mata deungeun,
disipat teu atjan parat,
datang noe toekang ngadĕgkeun,
geus djoeng baë diadĕgkeun,
djeung deuina toekang tatah,
geus ngĕtrok di loehoer imah,
koemaha tjaladi koendang,
roesoeh teuing noe ngadĕgkeun,
wantoe rosa teuing balad,
pagawean geus teu oeroes,
memeh oesoek hateup heula,
memeh nĕrapkeun daloeroeng,
paloepoeh ĕnggeus dipasang,
tihang teu atjan sadija,
geus nĕrapkeun bilik heula,
pamikoel aja di handap,
pangĕrĕtna tjlok di loehoer,
soehoenan di handap keneh,
ari woewoeng djol di loehoer,
bawaning koe rosa balad.

Soentĕn Djaja katingali koe noe geulis Gambir wangi, pimitohaeunana iboe Dewi Asri teja. Tjeuk Gambir wangi: „wah Soentĕn Djaja, karoenja teuing, ijeu nagara teu kaoer anggeus, balas moelaän ka toekang.”

Gantjangna dipangnjiptakeun baë, moeka karembong soetra tjinde woeloeng. Sanggeus ditjipta koe Gambir wangi, nagara teh kadjadian, dingaranan nagara Kokar beres, dieusikeun banda noe salawe kapal teh. [ 138 ]Ari tjeuk Goeroe Gantangan: „oerang Moewara beres bantoean ngoendjalan banda.” Tjeuk oerang Moewara beres: tara nanggoeng; pangnjijarkeun boeroehaneun baë.” Didjawab deui: „tara boeboeroeh.” Tjeuk oerang Moewara beres: „gantjangna banda teh dioeroes koe semah baë.”

Ari tjeuk Goeroe Gantangan: „lamoen djiga kijeu mah, priboemi teh ngawarah katjida.”

Ari geus kitoe Soentĕn Djaja ditĕpoengkeun djeung Dewi Asri, ngagoeroeh djeung tatabeuhan.

Goeroe Gantangan bebesanan djeung Rangga Malela, manahna soeka katjida. Dĕmi koe Gambir wangi ditjandak poetrana Dewi Asri teja ditĕpoengkeun ka Soentĕn Djaja barina njandak lĕmareun. Ditimbalan koe iboena; „dĕmi Dewi Asri, aja pihatoer”. Mangga, koering rendengan djeung Soentĕn Djaja, rendengan hjjasan baë, lĕkasan mah hajang sarĕng Raden Laja baë, hoewap lingkoeng djeung Soentĕn Djaja, ari ebog mah hajang djeung Raden Laja, barina njanggakeun lĕmareun ka Soentĕn Djaja teja, tatapi lĕmareun teh digantaran baë, koe sangeuk pagaris koelit.” Ari iboena era katjida, dirontok baë Dewi Asri djeung Soentĕn Djaja, dibawa ka padalĕman dipangantenkeun.

Ari tjeuk Gambir wangi: „dek ngera-ngerakeun kolot bari dikoentji;” iboena ladjĕng kaloewar sarta bebesanan deui. Dĕmi Dewi Asri gawena ngan pista baë, oepama Soentĕn Djaja ka djĕro, ijeu ka loewar, oepama Soentĕn Djaja ka loewar, Dewi Asri ka djĕro.

Kagaris ge mani nakis,
dioesap mani midangdam,
ditowel ge lolongseran,
radjeun oge koelĕm reudjeung,
dihalangan koe goegoeling,
Dewi Asri teh sasambat,
sasambat ka Raden Laja.

Geus kitoe aja alamat datangna ka Raden Laja goemĕbĕg di pangtapaän. Dĕmi tjeuk Moending Laja: „wah! Moending Sangkala, kami teh boga impian, ngimpi kalĕboeh di laoet, [ 139 ]bĕdjad kapal di sagara sĕrta peunggas djeung tihang tihangna, katoet djeung lajar-lajarna disamboet koe angin.”

Ari tjeuk Moending Sangkala: „sadaja-daja da Raden leuwih oeninga.” Ari Moending Laja njaoer deui, „ngan aja bereto oerang noenda pipawarangeun di nagara Moewara beres, ngan ditoöng baë koe elok sangkala bolong, awas katon tetela Dewi Asri geus ditjarogeankeun ka noe loehoer koeta gĕde doenja sĕrta dibawakeun banda salawe kapal.” Ari saoer Moending Laja: „ngаn moegi baë Dewi Asri oelah beunang dikoelĕman koe Soentĕn Djaja sĕrta dikirim impian saban peuting.”

Geus kitoe Moending Laja toeloej amit ka ejangna Dewi Poehatji Wiroe Mananggaj, kawidian sĕrta dipaparin djimat boeli-boeli ĕmas, eusina minjak tji-kahoeripan reudjeung doehoeng kaboejoetan teja.

Gantjangna Moending Laja, Moending Sangkala indit ti pangtapaän ti pangtjalikan, sĕrta lalajangan teh dibawa toeroen manggoeng, datang ti awang-awang, soemping ti djabaning bangit.

Teu ditjatoer di djalanna, djaoeh mowal boeroeng tjoendoek, anggang mowal boeroeng datang. Kotjapkeun datangna baë. Doeg djĕboel ka batoe patjakoep, ka Sangijang tjadas patenggang, kana karang gantjor pangbadjoan, ka anoe ditoenda teja, ka оеwа Kidang Panandjoeng, ka oewa Gĕlap Njawang.

Ari tjeuk Moending Laja: „eh Moending Sangkala, eta teh parahoe oerang noe ngadingding kawas pasir, ngaroeng goenoek kawas goenoeng, tjoba koe maneh geura angkat.” Koe Moending Sangkala ditewak tjaroek dibantingkeun ka tjai ka wahangan Tji-haliwoeng. Teu lila ear ponggawa newak ka Moending Sangkala: „sija teh bangsat mipit teu amit ngala teu menta, parahoe aing naha diangkat.” Kitoe teh bari Moending Sangkala pada nampilingan, tapi manehna tjitjing baë. Teu lila bidjil ambĕkna, tanggaj malela teja dek njakar ngagaroe kambangkeun, koe Moending Laja ditewak dikatoekangkeun: „maneh teh oelah ngalawan, eta teh karoehoen oerang, moen malĕs matak maneh doraka, [ 140 ]sabab eta soenan oewa Gĕlap Njawang.” Naradjang ka Moending Laja, dek nampilingan, dihalangan koe lalajangan: „wah! soenan oewa, ijeu djisim koering ngaran Moending Laja teja.”

Rampoejoek Gĕlap Njawang: „oewa teh rada kasmaran, oedjang teh geus gĕde pisan.”

Teu lila, toeloej arindit balajar baë, parahoe madjoe ti girang, geus datang ka leuwi daoen. Kidang Panandjoeng boewang djangkar, ari tjeuk Moending Laja: „naha oewa boewang djangkar lĕbah dijeu, kapan oerang teh djaoeh keneh.” Ari tjeuk oewana, „bo oedjang, wantoe oerang mawa indoeng djoerig, alamat njorang anoe rendengan ngagĕdĕr, tangtoe manggih djalma loba meureun kaget, Moending Sangkala oerang polorkeun.” Ari tjeuk Moending Laja: „sadaja-daja da oewa langkoeng oeninga, da geus lĕgok tapak gĕnteng kadek, geus reja nja pamĕndak, geus njaho kana pisalamĕteun.” Pendekna heës Moending Sangkala; geus kitoe, balajar deui, datang ka Batoe toelis. Ditoenda tjarios Den Laja. Kotjapkeun Nji Dewi Asri anoe pangantenan teja pistana kabina-bina ka Soentĕn Djaja, wireh ing koerang soekana. Gantjangna dipaksa di djĕro kadaton, dirontok, disakombongkeun, ditewak, disapisankeun, boeboehan istri noe geulis sarta sakti, Dewi Asri midoewa raga, ngagedog salira mindahkeun roepa kana goegoeling, Soentĕn ebog djongdjon-djongdjon djeung goegoeling.

Nji Dewi kaloewar toeloej bidjil tina padalĕman, amit baë ka iboena siram ka djamban larangan.

„Tjing iboe idinan koering,
hareudang bajeungjang teuing,
marerang arateul teuing,
oendoer hajang katingali,
hajang katingali poendoek,
leumpang katingali tarang,
njoehoenkeun baloengbang timoer,
djeung nĕda soerja padang.”

Ari iboena harti katjida wantoening roeroentoek anom, [ 141 ]djeung deui awas ningali, tjeuk iboena: „rek naon mĕgat-mĕgat noe teu oeroes, Moending Laja teh naon gablĕgna, kokoro njoso, mararat rosa, tjalana karo beutian, noe ipis noe koerang orang, mĕnding ka Soentĕn Djaja sakahajang geuning roepa, nagara geus djeung eusina, banda ge salawe kapal.”

Ari tjeuk Dewi Asri ka iboena Gambir wangi:

„Kadjeun teuing da geus tĕpi,
geus tĕpi ka titis-toelis,
geus ninggang ka koelak tjanggeum,
sakijeu kadar pangeran,
topek rombeng diri koering,
sasawi djadi di tjai,
saladah dikahoemakeun,
ari moenggoeh diri koering,
kadjeun teuing djadi djoerig,
djadi djoerig oenggal kĕmis,
atawa djadi ririwa,
ririwa oenggal salasa,
kodjor teh djadi tongtohot,
njĕri beuheung sosonggeteun,
kikis tjopong pagĕr noöng,
noöng ningali Den Laja.”

Soemping iboena Nji Gambir wangi, ambĕk kabina-bina hĕnteu didenge omongan, njokot tjaor dek ditotog.

Dewi Asri ngĕdjat ngaleungit, toeloej baë kaloewar ti wawangoenan datang ka djambatan larangan, ka kĕmbang tjampaka warna, papanggih djeung parahoe, horeng teh sampan Den Laja. Dewi Аsгі gĕgĕгоап ka Patih Gĕlap Njawang: „tjing oewa eureunan koering soegan kĕrsa roeroempaheun, njimpang ka nagara koering.” Dĕmi Kidang Panandjoeng ngomong bari toeloej parahoe teh dileumpangkeun, Dewi Asri kasĕrĕngan loempat ka wahangan tjai, parahoena dibalikeun, noe ti hilir tjlok ti girang, Nji Dewi Asri tĕroes ka djĕro kana sampan Pelang kantjana.

Kasondong ka Sindang laja,
keur sono Den Laja aja,

[ 142 ]

dirontok djeung digalemoh,
dikaleng bari dipontel,
ditoengkoelkeun, ditanggahkeun,
ditjijoem dikoeja laoet,
sĕmoe diroenja dirĕnjoe,
ditjijoem disalindoengkeun,
diharewosan ditĕmpo.
Dipalang-palang koe dada,
njijoem bari ngegel biwir,
kopo tjondong djeung djongdjoho,
taleot djeung talawoengan,
Nji Dewi kalangkoeng sono,
Raden Laja oge komo,
galejoh kana lahoenan.
Den Laja montjorong teuing,
ti peuting sasat kaimpi,
ti beurang kapirarajkeun,
ngimpi koelĕm djeung andjeunna,
tĕpoeng soekma pada soekma,
ajeuna datang djinisna.

Ari gĕr teh: „koemaha panto teh boengangang sapeuting?”

Kasoer teh sabeulah soewoeng,
goegoeling soewoeng ti gigir,
njampakeun Den Laja soemping,
kadijeu kajoengjoen teuing,
agan teh djoengdjoenan ati,
„na Aden bĕndoe koe naon,
ditjijoem sasalindoengan,
digegel sasanggerengan,
dipisono njolowedor,
dipitineung los ka deungeun,
dipoentangan teu tarima,
dipageuhan ngoesiwĕlkeun.” blz.

Ari tjeuk Den Laja: „akang teh lain bĕndoe, ngan koe tjararape keneh baë.” „Bisi akang bĕndoe ka djisim koering, wireh ing koering dibawakeun banda salawe kapal koe [ 143 ]Soentĕn Djaja, da koering nadjis teu beuki, da koering haram teu hajang, mowal dibelaän mileuweungan, mĕgat-mĕgat diri ĕngkang.”

Ari tjeuk den Lаја: „bareboe soekoer baë, peupeurih ĕngkang ngan diri woengkoel datang ka salira njai, bisi ĕnden teu oeninga, eta teh beunang ĕngkang tatapa menta kasoegihan, ajeuna mah montong lambat dipisaoer.” Tjeuk Raden Laja ka oewana: „eh oewa! Moending Sangkala geura geuingkeun.” Teu lila koredjat hoedang, saoer Moending Laja: „ajeuna maneh Moending Sangkala koedoe geugeulis panon ka nagara Moewara beres, tanjakeun ngaran oerang?”

Moending Sangkala ngĕdjat indit. Datangna ka leuwi Lajoeng, bĕt manggih djalma loba bade ngarampog Raden Lаја. Koe Moending Sangkala ditanja: „ijeu teh djalma loba badjo, sija keur naraon, ĕngke sija dilĕbok.” Rampog kabeh toeloej kaboer, madjar maneh indoeng djoerig, koekoena tanggaj malela, pandjang doewa balik sikoe, harita bidjil sadaja sĕrta beunang ngawaranganan. Moending Sangkala ambĕkna kabina bina.

Ambĕkna lir goenoeng djadi,
deuk ngamoek teu aja moesoeh,
ngamoekna kana parabot,
kikir beusi digisikan,
boerang malela digelang,
pelor rante dibeuweungan.

Teu lila aja noe nanja: silaing teh oerang mana, parabot oerang diroeksak, kapan oerang anoe toenggoe, ngaran Patih Halang Barang, gĕgĕdoegna Koeta barang.

Ditjakar garoe kapakkeun,
koe tanggaj malela teja,
anoe doewa balik sikoe,
sĕrta kalĕm sadajana,
ditjabok disapisankeun,
mawa oerat mani rambaj,
reudjeung mawa-mawa daging,
hidji koekoe moen didjoemlah,

[ 144 ]

beuratna gĕnĕp gĕntaeun,
Raden Patih Halang Barang,
koe Raden Patih Sangkala,
toeloej baë dipĕrangan,
disoeroeng antjoel-antjoelan,
diseundak engklak-engklakan,
disered engke-engkean,
seredan ejar-ejaran,
mĕnĕran ka aloen-aloen,
ka nagara Koeta beres,
ka noe keur tataloe teja,
noe rendengan Soentĕn Djaja,
pamoek kabeh mani goejoer.

Koentĕn Wajang, Sarĕngga Wajang, Pĕrboe Gadjah Sampoeloe, Moending Pakoean, Rangga Malela, samalah Goeroe Gantangan miloe toeroen noe boga poetra koekoetan teja miloe misah anoe pĕrang.

Ari Moending Sangkala keur meudjeuhna toeroen amoekan, ngamoek teu dipilih tanding, datang lima ditjakar lima, datang gĕnĕp ditjakar gĕnĕp, loba pisan pamoek noe bĕdjad tarangna, sawareh ragrag pipina, sawareh ngambaj matana, sawareh disalindang oerat, noe rambaj siki kontolna oge aja ditjakar koe Moending Sangkala.

Geus kitoe kaoeninga koe patih nagara Moewara beres Gĕgĕr Malela teja, toeloej toeroen njapih ka noe eukeur pĕrang, ditewak koe panangan kentja Arija Patih Halang Barang, dialoengkeun katoekangeunana, ngarontok Moending Sangkala. Moending Sangkala naradjang ngagaroe kambangkeun ka Patih Gĕgĕr Malela, mani hĕnteu teurak. Toeloej baë pĕrang tandingan.

Pĕrangna rame katjida,
wantoening pada djagona,
wĕdoek ĕnggeus manggih taroeng,
bĕdas ĕnggeus manggih lawan,
silih djoengdjoeng, silih soeroeng,
silih seundak, silih doepak,

[ 145 ]

silih djingdjing djeung tampiling,
silih sered, silih keser,
panajagan mani rijab,
kadoepakan koe noe pĕrang,
kikis mani pabaroeis,
kandang djaga paboerisat,
toetoenggoel beusi ngagoeling,
koeta wadja mani rĕmpag,
babantjong tigogolontjong,
kikis beusi mani djoerĕj,
kadoepak koe noe keur taroeng.

Geus kitoe Gĕgĕr Malela ngomong kа Moending Sangkala:

„ĕngke pĕrang eureun heula,
pĕrang teu ngareunah teuing,
oerang pantjakaki heula,
bĕt pĕrang taja madjoena,
kawas wĕdoek noe sagoeroe,
noe bĕdas sapananjaän,
taroeng teh paoengkoe-oengkoe,
pĕrang teh padjaga-djaga,
dewek hajang nanja heula,
silaing anoe timana,
lĕmboer matoeh dajeuh maneuh,
saha nja indoeng nja bapa,
sĕrtana saha nja ngaran,
djeung naon noe dibelaän,
ngamoek teu dipilih tanding,
gorodjog tanpa rarapan,
pok silaing geura ngomong.”

Ari tjeuk Moending Sangkala:

„koela teh soekoer katjida,
noe dipenta ge nja kitoe,
hajang teh aja noe nanja,
wantoening geugeulis panon,
ari Patih Halang Barang,

[ 146 ]

anggoer heug mĕrangan bаë,
noe matak toeroen amoekan,
tah kitoe lantaranana,
ajeuna mah seug koe koela,
koe koela rek diomongkeun,
oerang teh ngadongdon doeloer,
anoe ngaran Moending Laja,
bedjana aja di dijeu,
sidik atawana hĕnteu,
dĕmi ngaran kaoela teh,
katĕlah Moending Sangkala,
noe bidjil ti beulah batoe,
eling teh geus kijeu baë,
ari indoeng djeung bapa mah,
kaoela teh hĕnteu njaho.”

Ari tjeuk Gĕgĕr Malela: „pangdenge teh doeloer ka Moending Laja, ka dewek ge meureum baraja, malah ka bapana ge oewa ka Pĕrĕboe Siliwangi, ratoe di Padjadjaran, ajeuna mah oerang ontong toeloes pĕrang, hajoe oerang moelang baë ka ĕngkang, ka paseban, ka bale si-pangeujeukan, bale rarawis kantjana. Moending Sangkala toeloej ngiring ka pamĕngkang, toeloej pantjakaki baë.”

Ari tjeuk Gĕgĕr Malela: „bareto mah ĕпја pisan Moending Laja bobogohan ka noe geulis Dewi Asri sarereja pada njaho, ajeuna mah doeka teuing hĕnteu njaho, bareto teh aja bedjana handjat ka djabaning langit, kasamboet goerijang toedjoeh, kaoela bedjana deui, malah-malah ajeuna mah Dewi Asri teh geus boga salaki, Soentĕn Djaja-salakina, anak nangkoda oerang Noesa barang, koekoetan Goeroe Gantangan, oerang nagara Koeta Barang.”

Geus kitoe kadenge koe Soentĕn Djaja, ari tjeuk Soentĕn Djaja: „saha nanjakeun ngaran Moending Laja, geus euweuh di kijeuna, Moending Laja teh geus paëh ditĕkoek goerijang toedjoeh, ditoe di djabaning langit, ajeuna mah noe boga паgага Beres nja kami, noe ngaran Soentĕn Djaja teja, noe loehoer koeta gĕde doenja.” [ 147 ]Ari tjeuk Moending Sangkala: „koela mah nja soekoer baë, da toenggal doeloer ijeu ka Gĕgĕr Malela, malah koering oge sanggoep djadi pamoek di nagara Koeta beres, sanggoep njanggoet goentoer, njanggap sagara, barani katĕmpoehan oemoer, barani katĕmpoehan njawa.” Ari geus kitoe, ditoenda heula.

Tjarios, kotjapkeum Moending Laja djeung noe geulis Dewi Asri, dihandjatkeun koe oewana Kidang Panandjoeng, Gĕlap Njawang; toeloej baë ka nagara Moewara beres noe geulis djeung noe kasep.

Pajoeng hidji koe doewaän,
angkat bari rerendengan,
hoeroeng djiga lajoeng isoek,
djeung djiga boelan toemanggal,
nja keasik-keusik barĕntik,
nja tjadas-tjadas harerang,
nja batoe-batoe haroeroeng,
kahibaran koe noe geulis,
djangkoeng saroewa pĕndekna,
hidoeng saroewa konengna,
poeroen saroewa daëkna,
nineung saroewa sĕdĕngna,
roewas boengbas pipir hawoe,
noe geulis modongsong koneng,
mani goejoer salĕlĕmboer.
Geus gandeng di djĕro dajeuh,
ejar di djĕro nagara,
ngagoeroeh djeung tatabeuhan,
tĕmpatna di aloen-aloen,
aloen-aloen sewoe tahoen,
tanah lapang sewoe tjĕngkal,
tataloena toedjoeh tahoen,
njijeun pesta toedjoeh boelan.

Kotjap noe iring-iringan Moending Laja rendengan warna-warna, panajagan, toekang tjĕtrek mani geus teu koelitan, [ 148 ]toekang soerak teu soraän ngan bati tjalangap baë, toekang godĕg geus teu ngoeroes goöng, bati galar gilĕr baë, toekang rigig geus teu ngoeroes tjindĕk bati ririgigan baë, toekang karinding geus djadi koelit geus djadi daging, toekang bĕkok dalapan poeloeh ditendjo boöl geus mohbrol, lengser tĕng ka koelon, tĕng ka wetan;

Dagal-digil, sangkal-singkil,
tjawĕt poeril poepoerikil,
njĕntil sagĕde pĕpĕntil,
samping sina kotok nonggeng,
digalang-giling sampingna,
koneal toewang kagoengan,
sagĕde gadoeng pĕsekeun,
siki kontolna teh sanglir,
sanglirna ge toedjoeh likoer,
leumpangna teu kaoer madjoe,
salengkah ka doewa eureun.
Ditoenda; keur dangdan heula,
badjoe sapoeloeh ditoempoek,
koetang salawe dientep,
lain ngentep djang gadeëun,
pamahoegi nini-nini,
berendel kaníjing leherna,
sagĕgĕde ĕndog sowang,
ngadjĕpat kantjing wadjana,
sagĕde oempak gĕdogan,
sorenna doehoeng paparin,
beunang njarangkaän saoeh,
tĕrĕlĕng apĕng-apĕngan,
toempak koeda lalagaran,
sangawĕdi awi tali,
selana doelang sabeulah,
bawaning roesoeh koedana,
ditoengtoen teu daëk madjoe,
dilaänan kadalina,
digĕboeg koeda teh kaboer,

[ 149 ]

koeda ngetan lengser ngoelon,
leumpang ngadjingdjing kadali,
boewah birit mani hapa,
balas kabintihan keuneung,
maboekan ka tjetjekolan,
tĕng ka koelon tĕng ka wetan,
njĕri beuheung sosonggeteun,
ngalijeukan noe njamboengan,
soesah mere panajagan,
tataloe teu noetoe noetoe,
kawinan teu meuntjit-meuntjit,
tjara rawataneun keneh,
sapina peuntjiteun keneh,
bantengna raweëun keneh,
sapina peuntjiteun keneh,
wantoening pesta dadakan.”

Si-lengser rampa rangkoel, ana newak meuntjit moending, moending hidji noe meuntjit dalapan, djampena ge adoe bisoel minal tjenang karĕntil minal korewal, lailah-hai lĕngkoeng koneng ditoengtoengan matja poedji dikirna ge sabilloellah, moending teh dagingna bejak kana kĕrĕdan baë, ngan tinggal karorongkong toelang taleng, djeung djĕroän doeoemkeuneun. Lengser hĕnteu mĕrtjajakeun, doedoeoem sorangan baë, teu boeroeng ka bagian, bakating bijasa anoe babagi.

Karongkong djang toekang goöng,
toelang djang boedjangga leumpang,
igana ka panajagan,
babatna djang toekang kĕndang,
sina tjampoer reudjeung dalang,
oeratna bagian wajang,
lamad djang toekang rĕbab,
dadana baginan lengser,
djadjantoeng djang toekang pantoen,
taina bagian koeli,
bajah galĕng djang di dalĕm,
daging kapoer djang di dapoer,

[ 150 ]

djadjando djang noe laladjo,
daging hampas djang toekang bas,
kerewedan noe bogana,
noe bogana rawan-rawan,
babat kodja toekang pĕntja,
katambahan reudjeung randa,
djeung tjekerna adjang lĕbe,
tambah kere djang tjawene,
daging tjangkeng noe kabagi,
bagian djang pandjak ronggeng,
dĕmi peudjit koerilingna,
bagian toekang karinding,
eusi peudjit toekang soeling,
tamboesoena keur manglakoe,
koelit keur tjaroge kĕtib,
hoeloe hatoeran pangoeloe,
ati pangasik djang modin,
otopna adjang mĕrĕbot,
polona djang toekang ngilo,
tjokorna adjang asisor,
kikisi djang parajaji,
akas-akas djang mas oepas,
lamoesir hatoeran sipir,
bajahna adjangan loerah,
rimpina adjangan moerid,
tjampoer ka djoeragan goeroe,
atina keur hadji-hadji,
kĕkĕmpis djang djoeroetoelis,
tambah mitjis djeung noe geulis,
boöl bagianna mandor,
ditambah djeung angeun kelor,
dĕmi koeloewoeng boedjoerna,
bagian djang toekang ringkoeng.”

Geus kitoe Den Laja indit, ladjĕng rendengan.

Mĕtoe lawang mandjing lawang,

[ 151 ]

mĕtoe di lawang pingpitoe,
mĕdal di lawang pingsanga,
mĕtoe lawang mandjing lawang,
tjos montjor dibongboroan,
lawang gĕde lawang hade,
ka lawang saketeng ageung.

Geus nĕpi di lawang kori, lĕbĕt ka latar padalĕman, handjat kana papanggoengan Kantjana ĕmas.

Toeloej baë hoewap lingkoeng Den Laja djeung Dewi Asri. Katendjo koe Soentĕn Djaja, tjeuk Soentĕn Djaja: „heuheuh koetan Nji Dewi Asri teh mapagkeun, molor teh koetan djeung saha, sihoreng eudjeung goegoeling.” Soentĕn Djaja njaboet kĕris dipake nĕwĕkan goegoeling, dĕg rekot di djĕro kadaton, Soentĕn Djaja tjĕkoek bari sisidoeëun baranang koenang-koenangna, ngeng katorekan, wer kiih andjingeun, gĕbrĕg moerijang teu kawajaän, amarah teu kawadahan reup geuneuk maleukmeuk djiga beusi atah beuleum, mani angkeub nagara, koe baeudna Soentĕn Djaja, roebak biwir batan simboet, toeloej kana papanggoengan, koetan keur hoewap lingkoeng. „ih batjot sija, andjing koe aing ditampiling, ajeuna ge sija modar.” Tjeuk Soentĕn Djaja. Ari Moending Laja hĕnteu ngadjawab, diboeroe baë koe pangawĕroeh, diala beunang tapana ngaloempoeroek Soentĕn Djaja dek nampiling teja meber, dek nalipak teja djengke, kaboeroe koe pangawĕroeh. Soentĕn Djaja bĕngong nendjo ka noe keur hoewap lingkoeng.

Ari Kidang Panandjoeng djeung Gĕlap Njawang mah, pek baë ngahoewapan Soentĕn Djaja, ngarah piangĕneunana, geuwat sila miloe reudjeung hoewap lingkoeng, gawena sibanjo baë, beak tjai toedjoeh gĕntong, dihoewapan mah tatjan baë.

Kotjapkeun Njai Dewi Asri:

„gĕbroeg bari mere sĕmoe,
gĕbris bari mere boedi,
godebak mere pitoewah,
lelewa teu panoedjoeeun,
Soentĕn njangnjang, Soentĕn njengnjeng,
Soentĕn singsiritan andjing,

[ 152 ]

Soentĕn soentan, Soentĕn santeng,
Soentĕn singsiritan banteng,
Nji Dewi nadjis teu beuki,
Dewi haram hanteu hajang,
teu hajang ka Soentĕn Djaja.”

„Beuteungna bareuh, beuteung Soentĕn njangnjang, Soentĕn njengnjeng, Soentĕn singsiritan setan.”

Tjeuk oewana: „hoewapan baë ngarah pimanaheunana.”

Koe Dewi toeloej baë dihoewapan, Den Laja koe katoehoe am laoek, Soentĕn Djaja koe kentja am tjabena digantaran, ditambah pĕntjok bintaro, karedok toedjoeh gotongan. Soentĕn Djaja adoeg songkol, oetah gĕtih boelaëran, koe sabab toewang bintaro:

„Kotjap noe rendengan gĕde,
rendengan rame katjida,
ditjĕtrekan didjogedan,
diemprakan disoerakan,
make baksa Padjadjaran,
Soentĕn gĕmbroe, Soentĕn wajang,
Arija Panjoengging wajang,
Pĕrboe Soenggĕlĕng intĕn,
Raden kĕling nami wajang,
warna-warna tatabeuhan,
wantoe mirig noe rendengan,
mani aloem dangdaoenan,
mani leumpeuh kĕkĕmbangan,
powek mongkleng boeta radjin,
kareueukan haseup bĕdil,
soerakna ngaindoeng lĕmboer,
soerakna ngabapa desa,
soerakna ajeuh-ajeuhan.”

Geus kitoe, toenda tjarita.

Kotjap Djaksa Padjadjaran, Dĕmang Patih Rangga Gading, kĕrsa nongton noe rendengan oewa Moeroegoel Mantri Agoeng djeung oewa Poerwa Galih. [ 153 ]Teu katjatoer di djalanna, tjatoerkeun datangna baë ka nagara Koeta beres.

Pada tjoendoek sĕpoeh tiloe,
iteukna pada wĕrĕgoe,
bakal moetoes anoe padoe,
anoe bisa noelak sĕmoe,
ejar pada maroendjoengan,
tjeuk sadaja para-poetra,
ijeu oewa itoe oewa,
djadi oewa sarereja,
oewa sanagara eta,
moen djagong kapalang kolot,
moen katjang kapalang asak,
oewa Gading oewa Gading,
oewa Gading sarereja,
hĕnteu lila ditjalikeun,
oewa Gading ka pamĕngkang.

Ari tjeuk Gambir wangi: „soekoer pisan koe soenan oewa dilajad eukeur rendengan, geus tangtoe alamat roesoeh Den Laja djeung Soentĕn Djaja karana alamat padoe.”

Ari tjeuk Rangga Gading: koetan rendengan teh djeung saha?

Ari tjeuk Gambir wangi: „teu djadi ka Soentĕn Djaja, djadina ka Moending Laja karana Moending Laja teh datang deui, ajeuna ge keur hoewap lingkoeng.” Teu lila djol Soentĕn Djaja datang ka pamĕngkang, djol menta banda teja baë, noe salawe kapal teja. Ari tjeuk Rangga Gading: „maneh Soentĕn oelah waka menta banda, eta mah koemaha djinis, oerang saoer heula baë Den Laja djeung Dewi Asri.” Teu lila saroemping ka pamĕngkang kĕmpĕlan sadajana.

Ari tjeuk Rangga Gading ka Dewi Asri: „eh Njai, heula mаnа Soentĕn Djaja djeung Moending Laja ngalamarna ka Njai?”

Dewi Asri tatjan djawab, geus gĕr sadaja pada ngadjawab, balad oerang Koeta barang, malah oerang Padjadjaran oge teu biloe ka Moending Laja, ngiloena ka Soentĕn Djaja, [ 154 ]wantoe ĕnggeus diboeroehan kabeh oerang Padjadjaran; ari Soentĕn Djaja teja loehoer koeta gĕde doenja, beungharna kabina-bina, wantoening anak nangkoda.

Katjarita aja sahidji ponggawa ngaranna Gadjah Siloeman, oerang nagara Karang Siloeman. Disoewaj baë ponggawa sapirang-pirang, djaksa, papatih diliwat, tjalikna ka pajoen pisan.

Tjenk Rangga Gading: „dek naon maneh dijoek ka hareup teuing?” Ari tjeuk Gadjah Siloeman: „noehoen oewa goeroe sĕmbaheun, pĕrkara ajeuna lamoen dek mariksa koedoe ijeu ka lengser Padjadjaran. Lengser, maneh disaoer.” Ari tjeuk lengser: „mĕngke hajang ngising heula.” Ari tjeuk patih: „naha sija lengser lalawora disaoer teh, naha pĕrĕloe mаnа modol reudjeung nĕmonan.” „Soemoehoen dawoeh, raos abdi pĕrĕloe ngising djaoeh tangeh djeung kababajan mah pajoeneun ngeran.”

Gantjangna lengser loempat kana handapeun tjaringin tatapi teu ngising teu naon keur mikiran pidjawabeun baë, mowal gagal nanjakeun djalanan ngalamar, lengser bingoeng pidjawabeun, ari disĕboet heula Soentĕn Djaja teu njaho basa ngalamar, ari disĕboet heula Moending Laja poëkeun, sakitoe deui mĕnding tĕmonan baë, da ngan kasorangan agan pĕrtjajana, hanas pidjawabeun mangsa bodo ngeran baë. Teu lila lengser datang. Ari tjeuk Rangga Gading: „ijeu aing hajang nanja, maneh njaho Moending Laja djeung Soentĕn Djaja heula mana ngalamar ka Dewi Asri? Ari tjeuk sadaja mah heula Dewi Asri ditanjaän koe Soentĕn Djaja.” Ari tjeuk lengser: „kapanggihna koe abdi mah heula Moending Laja. Tĕtkala waktoe keur njiram miwarang njijar hondje, mahanan doewit dalapan kĕton, nja meunang ti dijeu pisan, ti nagara Moewara beres, hondje teh dalapan paseuk, sapaseuk sakĕton. Gantjangna abdi balik datang ka djalan kapahoeng teu nimoe djalan, djol ka nagara Karang Siloeman, ka ijeu Gadjah Siloeman, menta eureun abdi di dinja, ari keur eureun datang lengser Moewara beres, pokna menta hondje opat pasi, moelangkeun doewit opat kĕton, doemeh Gambir wangi njiram, ari tjeuk [ 155 ]abdi: mowal geus djadi djoewal meuli, djeung dibikeun hondje mah, toh pati djiwa raga.” Ari tjeuk Gadjah Siloeman: „mowal hade lengser beulah doewa baë.” Ari tjeuk abdi: „hade koedoe dibahanan sĕrat sanggakeuneun ka ratoe, ari tjeuk saeusining soerat geus gĕde oerang tikahkeun. Gantjangna balik baë abdi ka ratoe di Padjadjaran, njanggakeun hondje djeung soeratna, ari keur toewang hondje Padma Wati, datang Nji Gambir wangi, pokna ganti kapalaj, palaj toewang terong peuheur, kahajang sabeulah sewang djeung noe geulis Padma Wati.”

Gantjangna koe ratoe dipangnjiptakeun terong peuheur, dibeulah koe Gĕlap Panjawang koe doehoeng Kidang Panandjoeng, terong teh seëp sabeulah sewang, mana djiga beubeulahan terong, geura mangga oeninga Den Laja djeung Dewi Asri, malah-malah dek djiga nое sakĕmbaran.

„Samalahana koe ratoe,
disembarakeun enggalna,
soepaja pada oeninga,
saeusina Padjadjaran,
noe njiram sapanjiraman,
dikawinkeun memeh djadi,
ditikahkeun memeh mĕdal,
tĕpoengkeun memeh ngadjoeroe,
malah ditoekeur tameuhkeun,
karembong noe Padma Wati,
dianggo koe Gambir wangi,
karembong noe Gambir wangi,
dianggo koe Padma Wati,
sakitoe kanjaho abdi.”

Ari tjeuk Rangga Gading: „atoeh ari kitoe mah, dihin pinasti, anjar pinanggih, pinastina Raden Laja, pinanggihna Soentĕn Djaja. Moen kijeu mah bĕnĕr mowal meunang Dewi Asri, disaeuran oge koe banda, salakina bawa ngadjadi, doerijatna bawa ti koedrat, lir kĕris mandjing sarangka, sarangka mandjing kĕris, oepama kĕris Den Laja Dewi Asri sarangkana.” [ 156 ]Tjeuk Rangga Gading ka lengser: „lengser aing teh heran katjida, nja bĕnĕr omongan maneh, estoening toetoeroet moending hĕnteu njaho miloe-miloe, sapĕrti oerang Moewara beres kapan barajana ka oerang Padjadjaran, ka Moending Laja, naha miloe ka Soentĕn Djaja, aing teu kaharti katjida.”

Ari tjeuk lengser: „sadaja-daja gamparan leuwih njaho, abdi langkoeng oeninga, ari oerang Moewara beres teh hareroj kana patjokeun, haripeut kana teureujeun, kitoena mah meureun diboeroehan, ari ditejang kana kotorna mah euweuh anoe bĕrĕsih atina, lir oepama angeun saparijoek karagragan tai beurit doewa tanggoengan kotor kabeh.”

Ari tjeuk Rangga Gading: „ari kitoe mah Soentĕn Djaja maneh koedoe tarima eleh baë, sabab Dewi Asri teh lain milik maneh, milikna ka Moending Laja.”

Ari tjeuk Soentén Djaja: „koering teh tarima pisan pĕrkawis Dewi Asri njelehkeun baë, ari geus teu milik mah ka djisim koering, ngan banda salawe kapal teja, nagara reudjeung eusina, ajeuna bakal dipenta.” Ari tjeuk Rangga Gading: „wah Dewi Asri! ejang hajang nanja, geus sabaraha peuting Njai tjitjing, moen powe sabaraha powe, moen boelan sabraha boelan?” Ari tjeuk Dewi Asri: „noen kĕrsa ejang, teu kaitoeng peutingna, powena, boelanna, karana Soentĕn Djaja teh tjitjingna di dieu geus heubeul pisan, malah djeung koering ĕnggeus kawinan, ngan koering nadjis teu beuki, haram teu hajang, djeung koering teh malah koengsi ka kadaton, koengsi njiwit ka koering sakali, ngadjĕmbel barina nowel, koengsi nintjak sakali, seubeuh koering ngadjĕdjĕntoel dipĕgatan Soentĕn Djaja, seubeuh koering ngadjadjantĕng dihalangan Soentĕn Djaja.” Ari tjeuk Rangga Gading: „eh lengser! ajeuna mah geura prak baë heulakeun oewangna heula:

„Kana ongkos patjitjiwit,
djoemlahna dalapan datjin,
kana ongkos padjĕdjĕntoel,
rejana dalapan karoeng,
patitintjak dalapan laksa,

[ 157 ]

padjadjantĕng dlapan krĕnĕng,
patotowel dlapan leger,
padjĕdjĕlan dlapan lawe,
oewang djalan dlapan kojan,
ongkos pameuli teu soeka,
Moending Laja dlapan kapal,
ongkos pameuli teu soeka,
ngahoewapan digantaran,
Dewi Asri dlapan kapal,
reudjeung sadjaba ti dinja,
paloloher pagogoler,
patjoetjoewa patjeutjeubrik,
sinarĕngan pananadjis,
pakikitjeup padeudeuleu,
sarta reudjeung paiïmoet,
koedoe aja panjewana.”

„Aja keneh agan ijeu sesana oewang toedjoeh karoeng deui.” Ari tjeuk Rangga Gading: „eta mah euj kana oesoer, oesoer oge diwariskeun ka Moending Lаја, mana padoe sok make oesoer, mana aja oewang waris.” Ari tjeuk lengser: „abdi ngeran njoehoenkeun warisan, tina oesoer moedoe sapoeloeh baroe, tina patjitjiwit sapoeloeh doewit, padjĕdjĕmbel sapoeloeh sen, sĕrta djeung kĕrĕdan.”

Ari geus kitoe nĕda salawat, kapal teh nagara reudjeung eusina milik ka doewaän baë, ka Moeding Laja djeung ka Dewi Asri, sĕrta toeloej ka padalĕman, oleng panganten di djĕro kadaton, sĕrta oerang Koeta barang boedal eleh padoe, sosokan reja katjida anoe ngomong oerang Padjadjaran, ari pokna:

„Euweuh anoe toeroen tjadoe,
atawa noe ragrag sapa,
dipoetoes koe Rangga Gading,
sĕbab matak ngokorokeun,
atok-atok kari batok,
bandana Goeroe Gantangan,
ngadjoeroeng poetra koekoetan,
ninggang kana babasaän,

[ 158 ]

kabeh oerang Koeta barang,
awak roeksak banda bejak,
awak lĕboer banda lapoer,
moelang toehoer djadi tjatoer,
mĕnding moen lain djeung batoer.

Ari Rangga Gading asoep kana kasaoeran ka Raden Laja mah pĕrĕnah intjoe, ka Dewi Asri nja kitoe deui, tambah didjijeun djaksa poetoes padoe, ari ka Soentĕn Djaja deungeun baë, ngan pedah dikoekoet koe Goeroe Gantangan.

Geus kitoe Soentĕn Djaja teh ambĕkna gĕde katjida, indit ti pangtjalikan, loegaj ti pangtapaän, lar djegang di aloen-aloen, nangtang pĕrang sadoeloer-doeloer, Dĕmang Rangga Soentĕn, Arija Disoentĕn.

Tetendjrag gĕgĕdjlig,
soesoendoel bari kakamboel,
kokower bari totoker,
kotjeak kotjetjet dĕngek,
eleh ngĕbeh kalah ngĕbah.

Ari tjeuk Soentĕn Djaja: tjing batjot sija, andjing noe gadoer nagara, geura dengekeun koe tjeuli, geura bintang koe mata, rĕgĕpkeun koe angĕn, soegan aja maoeng digoenggoeng, soegan aja badak ditjangtjang, banteng dirante oetoes wĕrĕgkeun ka aloen-aloen, silih itjis kabĕtjikan, silih tjoba beunang tapa, silih aboer pangawĕroeh, soegan hajang patiïr koemis, patjorok djanggot, padoepak dada ajeuna mangsana. Ngeng kadenge ras karasa, Soentĕn kapiangĕn-angĕn, kadenge koe patih nagara, dek toeroen Gĕgĕr Malela, dipĕgat koe Moending Sangkala soeroepan goerijang toedjoeh teja.

Pamoek di djabaning langit,
ari Moending Sangkala teh,
tara pisan barang toewang,
toewang sangoe koekoepoekan,
dahar tjai sasampian,
toewang sawindoe sakali,
ebog satahoen sakali,
radjeun oge barang toewang,

[ 159 ]

isoekna boeboer balijoeng,
ti beurang tangkal handjoeang,
dibarĕngan roedjak pĕdang,
pasosore tjobek kored.

Geus kitoe, Moending Sangkala toeloej indit disakalikeun, loentjat disapisankeun, lar gĕdjlig ka aloen-aloen, noeroenan pĕrang Soentĕn Djaja teja, wong agoeng tiloe ngarontok, koe Moending Sangkala ditewak ditjakar, digaroekambangkeun. Soentĕn Djaja nampiling make ali beusi poerasani bobot beurat lima bĕlas kati, beunangna njoetjoek dadapkeun, Moending Sangkala seuseuran. Tjeuk Soentĕn Djaja: „sakali deui tjabok teh?” Tjeuk Moending Sangkala: „menta noe gahar.” Koe Soentĕn Djaja dipindo deui.

Ali beusi mani ngĕboel,
ngĕproel tanding harimoemoe,
dampal leungeunna merengkel,
Soentĕn Djaja njokot bĕdog,
ngaranna bĕdog-malela.
bobot tigang poeloeh kati,
Si-dengdek-powe ngaranna,
dĕmi kagĕdeanana,
sabeulah aloen-aloeneun,
lamoen dipoendak ti wetan,
nagara angkeub ka koelon,
Moending Sangkala dikadek,
ditampolan mastakana,
kalah melot hoentoe bĕdog,

Ari tjeuk Soentĕn Djaja: euleuh-euleuh, tjeuk saoerang alah-alah, bĕdog teh euntjeup wadja tjangkoerileung, ngora sipoeh wadjana oge, tidĕdĕt geuning hoentoena, tambah dikadekeun deui rompang lima bĕlas toembak, bĕdog teh toeloej dipitjeun, ninggang kаnа boerang malela, katinggang roeroentoek bĕdog kabeh boerang ting boerinjaj.

Geus kitoe, tjeuk Soentĕn Djaja: „kop saha bĕdog noe boetoeh, soegan loemajan keur bilik.” Soentĕn Djaja njaboet kĕris, doehoeng teh si toendoeng moesoeh, eusina djoerig [ 160 ]sakĕti, salaksa doeroewiksana, pamor togog ditjongona, sagĕde andjing ngadjogo. Ladjĕng kĕris ditĕwĕkeun ka Moending Sangkala, ditandean koe beuteungna, koelit beuteung ditĕwĕk teh kalah ngonjonjod, dingaranan bakal opak, konjonjod bagĕnjel. Tjeuk Soentĕn Djaja "tjadoek sija sato, soegan mah toedjoeh kakab."

Tjeuk Moending Sangkala: "soegan ijeu kana kongkolak panon." Kĕbat kĕris ditĕwĕkeun kana panon Moending Sangkala, kalah moelan panon simeuteun teu ngitjeup-ngitjeup atjan. Geus kitoe kĕris teh ditijoep ngoetjoer djadi banjoe, Moending Sangkala ngarontok dirangkĕpkeun tiloewanana. Soentĕn teh sadoeloer-doeloer toeloej baë gĕgĕroengan, bari taloek koemawoela, bari njanggakeun nagara sĕrta reudjeung eusina.

Den Laja teh soeka katjida.

Reja barang teu ngamodal,
loba sapi teu ngabiri,
moending teu njaho meulina,
sĕrta doeloerna dikawin,
ngaran Dewi Anta Kantjana,
djadi maroe Dewi Asri.

Djeung Den Laja diangkat Pĕrĕboe Anom.

Oeroet doeka toengtoeng soeka,
oeroet tjeurik toengtoeng seuri,
soeka ati garaita,
bari ngadĕgkeun tataloe,
ngagoeroeh tanpa roeroehan,
ngagĕdĕr tanpa wilangan,
wantoe-wantoe poetra ratoe.

Serta anjar panganten eukeur taja kasoesah saeutik, eukeur mandjoer gagah pamoek, hedjo lalakon rambaj tjarita, geulis adina bĕdas lantjeukna, moenggoeh dina tatangkalan mah hedjo daoen leubeut boewah, ngaraksoek di daoen ngora, andjing beureum saba leuweung, andjing bĕlang saba reuma, goeroedjag. Toenda sakeudeung.

—————