Polemik Undak Usuk Basa​ Sunda

Ti Wikipabukon
Polemik Undak Usuk Basa​ Sunda  (1987) 
by Ajip Rosidi
[ Cover ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/1 [ Judul ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/2 [ Judul ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/3 [ ? ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/4 [ ToC ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/5 [ 6 ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/6 [ 7 ]

PANGANTEUR

Dina bulan Maret 1986 di Lembang geus lumangsung hiji ”Seminar Kabudayaan Sunda” nu diayakeun ku Sundanologi. Tulisan Ajip Rosidi dina Mangle no. 1048, No. 1050, jeung No. 1051, anu dijudulan ”Ngabina jeung Ngamekarkeun Kabudayaan Daerah (Sunda)” asalna mangrupa makalah nu ditepikeun ku Ajip dina eta Seminar. Ti sabarang dimuat dina Mangle, kana eta tulisan tingtorojol reaksi, nya eta ti Saini K.M. (Mangle No. 1052), Djadja Sargani (Mangle No. 1053). F.Djajasudarma Idat A. (Mangle No. 1055), Beni Setia (Mangle No. 1056) jeung Popo Iskandar (Mangle No. 1060). Eta tulisan anu beunang disebut polemik sipatna teh sakabehna dihijikeun ngajadi ieu buku.

Tulisan Ajip Rosidi eusina dimimitian ku pedaran dasar-dasar hukum ngeunaan hak hirupna kabudayaan daerah saperti anu kaunggel dina Pasal 32 jeung 36 UUD 1945 (katut ′penjelasan′-nana). Pikeun netelakeun yen masarakat Sunda teh puguh jentulna, nya eta mangrupa hiji masarakat sekebangsa nu geus ngabogaan kabudayaan jeung basa sorangan nu tangtu tur maneuh, Ajip kalawan imeut sarta kritis medarkeun kaayaan sajarah urang Sunda. Eta pedaran teh sigana diperlukeun ku Ajip pikeun netelakeun yen kabudayaan jeung basa Sunda teh bener-bener mangrupa kabudayaan jeung basa nu dipimaksud ku eta pasal 32 jeung 36 UUH 1945, nu dina kalungguhanana sarua jeung kabudayaan sarta basa daerah lianna, pada-pada kaasup ”kebudayaan yang timbul sebagai buah usaha budinya rakyat Indonesia seluruhnya.” Saterusna tulisan Ajip nyoko dina basa Sunda, babakuna dina perkara undak-usukna. Tina hal ieu pisan timbulna reaksi teh.

Sabenerna soal pro jeung kontra undak-usuk teh, ceuk F. Djajasudarma geus aya ti beh ditu keneh. Dina tulisan Popo Iskandar kacatet yen dina taun 50-an, M.A. Salmun pernah ngasongkeun pamadeganana ngeunaan perluna ngademokrasikeun basa Sunda. Ngan sigana jurus demokrasi basa M.A Salmun rada kurang weweg kuda-kudana, da lamun maca tulisan Popo Iskandar mah siga eteh geleng nepi ka ngan bisa ngelid ku kecap-kecap: ”De kuring mah lain rek ngaleungitkeun basa lemes.” Naha dina ngedalkeunana kacirina bari balaham-belehem eta M.A Saimun teh atawa bari nembongkeun ulat daweung ludeung, moal dijadikeun catur di dieu. [ 8 ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/8 [ 9 ]Kecap manusa dipake mun urang dek ngabedakeun jelema ti sato, tutuwuhan jeung ti pangeusi alam lianna. Kecap pangajen nu loyog dipakena di dieu nya eta martabat. Martabat manusa dibedakeun ti martabat sato, tutuwuhan jeung ti pangeusi alam lianna.

Kecap jelema dipake dina harti wujud nyata manusa saurangna-saurangna (individu) dina hirup kumbuh. Tegesna kecap jelema mah pihartieunana nya eta manusa nu geus ′ngalalakon′ dina pakumbuhan, nya eta manusa nu geus nyandang kalungguhan (status) sosial jeung peranan sosial sarta tugas (fungsi) sosial. Kecap pangajen nu loyog dipake di dieu nya eta harkat (pikeun kalungguhan sosial), jeung darajat (pikeun peranan sosial). Kecap pangkat biasana nuduhkeun lelewek wewenang nu aya dina hiji kalungguhan sosial atawa peranan sosial.

Dina kahirupan sapopoe sok aya kekecapan kieu: ″Si Ujang teh ayeuna mah geus jadi jelema.″ Tah ieu kekecapan teh pihartieunana lain dumeh Si Ujang monyet samemehna mah, atawa lain manusa tadina mah, tapi pikeun nuduhkeun yen Si Ujang geus boga harkat atawa meunang darajat dina kahirupanana. Bisa bae pasalna mah tina miskin jadi beunghar, tina lugah-ligeuh jadi boga gawe nu pantes, Si Ujang teh. Ku bogana harkat atawa ku meunangna darajat, manehna jadi naek ajenna di masarakat. Akibatna aya parobahan tatakrama ti lingkunganana nu ditujukeun ka manehna.

Dina masarakat kolonial-feodal di urang baheula, harkat jeung darajat sosial teh ngan bisa mere ″nilai tambah″ kana martabat manusa nu geus nyampak di beda-beda. Hartina, eta harkat jeung darajat sosial teh teu bisa ari ngarobah martabat manusa mah. Dina novel Lain Eta Moh. Ambri, teu jadina Mahmud ka Neng Eha teh lain ku lantaran harkat jeung darajat sosial Mahmud leuwih handap ti Neng Eha, malah bisa jadi aya leuwihna, tapi ku lantaran dina anggapan Juragan Kalipah, rama Neng Eha, lain turunan raden Mahmud mah. Hartina, dina pandangan Juragan Kalipah manusa Mahmud leuwih rendah ti manusa Neng Eha. Pokna ge cenah, "Lebar teuing anak urang dibikeun ka nu lain turunan." leu kakara pangkat kalipah, komo deui menak nu pangkatna leuwih fuhur. Padahal manusa Mahmud teh martabatna teu kaasup cacah, da turunan mas. Atuh komo deui lamun ka cacah. Jadi, harkat jeung darajat jelema di jaman kolonial-feodal ngan meunang pangajen ti manusa nu samartabat jeung ti nu leuwih handap martabatna, da ti manusa nu leuwih luhur martabatna mah teu meunang pangajen. Alhasil harkat jeung darajat sosial dina jaman harita teu bisa ngarobah martabat manusa. Nya kitu deui, pikeun nanjeurkeun martabat kamenakanana, para menak miboga sarupaning hak istimewa dina soal tatakrama: pikeun dirina, hayang dimemen dienak-enak; sedengkeun ka manusa nu teu samartabat, alim ngamemen, alim ngenak-ngenak, kaasup dina makena undak-usuk basa. [ 10 ]Jadi, lamun anu kasebut bieu di luhur mangrupa alesan keur Ajip pikeun ngaleungitkeun undak-usuk basa (atawa ulah dipalire, ceuk istilah Ajip mah,) hartina undak-usuk teh identik jeung tatakrama kolonial-feodal. Lamun kitu alesanana, bisa ditarima usul Ajip teh lantaran pakumbuhan urang sipatna memang beda ti baheula, geus robah kaayaanana: baheula mah kolonial-feodal, ayeuna mah demokrasi Pancasila. Tapi, sanajan eta usul pamadegan bisa ditarima, masih tacan rengse masalahna. Sabab Ajip tacan mere jawaban kana soal ieu: naha dina masyarakat demokrasi teu aya tatakrama? Lamun sakur nu kasebut tatakrama ngan aya di masarakat feodal bae, tangtuna ge pandangan Ajip mencog tina kanyataan nu aya dina unggal pakumbuhan hirup manusa, sabab silih hormat antara sasama manusa teh ditembongkeun ku tatakrama tea. Jadi masalah nu sabenerna mah eta tatakrama nu asalna ti jaman kolonial-feodal teh kudu diganti ku tatakrama demokrasi.

Dina martabat demokrasi oge aya tatakrama pikeun nembongkeun ayana rasa silih ajenan dina pergaulan antara sasama manusa. Sacara manusa kabeh samartabat, tapi sacara jelema aya atribut-atribut sosial nu mere warna kana ayana perbedaan-perbedaan.Dina lingkungan kulawarga, mis.ilna, dibedakeun antara kalungguhan bapa, indung, jeung anak; mitoha jeung minantu. Di sakola, guru jeung murid. Di kantor, 'atasan-bawahan'. Di masarakat luas: antara inohong jeung balareana. Hiji jelema bisa dipandang inohong ku balareana, bisa jadi ku lantaran luhung elmuna, gede wibawana, gede jasana, loba prestasina tina salah sahiji bidang dina kahirupan. Bisa oge ku ganjorna umur, leu sakabehna mangrua hubungan-hubungan sosial anu geus ngajadi pola saperti: sepuh jeung nu misepuh, kolot jeung nu mikolot, lanceuk jeung nu milanceuk, jst. Sakabeh hubungan-hubungan sosial ieu bakal nembongkeun ayana tatakrama dina pergaulan hirup sapopoe antara papada jalma. Jadi, dina masarakat demokrasi oge aya perbedaan saluhureun-sahandapeun,atasan-bawahan,ngan ieu perbedaan lain ku lantaran martabat manusa teu sarua, tapi ku lantaran ayana kalungguhan sosial jeung peranan sosial jelema nu beda-beda. Tegesna lain ku lantaran beda 'kokocoranana' atawa 'getihna'. Ku kituna, dina demokrasi oge aya tatakrama, tapi tatakrama demokrasi mah lain kawas tatakrama kolonial-feodal. Aya basa hormat dina demokrasi, tapi lain kawas basa hormatna kolonial-feodal. Aya basa lemes dina demokrasi, tapi lain basa lemesna kolonial-feodal nu kaleuleuwihi nepi ka sakitu lungkawingna tingkatanana teh.

Sabenerna, tina hal ngademokrasikeun basa, antara Ajip Rosidi jeung Saini K.M. karasana teu pati beda. Ajip ngasongkeun modifikasi. Saini K.M. ngasongkeun pangalaman sapopoena, nu kieu cenah: ...."nu nulis (Saini K.M.) ngagunakeun basa lemes, boh dina pilihan kecap boh dina lentong. Ka tukang nyemprot hama... kuring ngagunakeun basa lemes tapi lentongna rada cohag, lantaran tukang kebon teh umurna saadieun nu nulis." [ 11 ]Katangen di dieu sikep Saini K.M. ngeunaan tatakrama pergaulan, nu bisa dibedakeun ti pamendak sepuh-sepuh nu masih keneh nganggap basa lemes mah keur ka juragan, ari basa kasar mah keur ka panyawah. Modifikasi Saini K.M. dina tatakrama deukeut jeung modifikasi nu diusulkeun ku Ajip dina ngabasajankeun basa lemes.

Tina sakabeh anu geus dipedar di luhur, bisa dicokot kacindekan yen undak-usuk basa teh sabenerna soal tatakrama nu dikaitkeun jeung basa, lain masalah basa (Sunda) pituin (basa ansich). Akibat tina robahna tatakrama kolonial feodal ngajadi tatakrama demokrasi, soal sopan-santun basa ge robah deuih. Istilah undak-usuk ngandung konotasi kolonial-feodal dina pandangan Ajip, tapi eta istilah pikeun nu mere reaksi ka Ajip sigana dirasakeun netral bae, malah dipabeulitkeun jeung soal tatabasa; nepi ka nimbulkeun kesan, nempatkeun soal undak-usuk basa dina masalah struktur.

Ieu panganteur hadena urang tutup ku dua ′denah′ riu ngagambarkeun tempatna undak-usuk basa dina basa Sunda. [ 12 ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/12 [ 13 ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/13 [ 14 ]

AJIP ROSIDI

Dosen basa jeung sastra Indonesia di Jurusan Bahasa Asing Universitas Osaka Jepang ti taun 1980 tepi ka ayeuna. Lahir 31 Januari 1938 di Jatiwangi, Majalengka.

Di lemah cai, pikeun nu icikibung dina dunya basa jeung sastra mah hamo aya nu bireuk; Ajip Rosidi teh sastrawan jeung budayawan nu kawentar kritis.

Mangpuluh-puluh hasil karya nu geus diterbitkeun, boh dina basa Indonesia boh dina basa Sunda. Dina basa Sunda anu kawilang seungit teh di antarana: Jante Arkidam(1967), Kanjut Kundang (11963), jrrd.

Kalungguhan nu dicangking memeh miang ka Nagri Sakura, nu panungtungan teh di antarana: Ketua IKAPI (1973-1979), Statf Ahli Mentri Pendidikan dan Kebudayaan (1978-1980). Geus teu kaitung samemehna mah.

***

[ 15 ]

NGABINA JEUNG NGAMEKARKEUN
KABUDAYAAN DAERAH (SUNDA)

Ku: Ajip Rosidi

Pangjajap

Sing sakur nu nyaritakeun atawa ngabahas peranan, hubungan, ngabina atawa ngamekarkeun kabudayaan daerah jeung nasional di Indonesia, salawasna dumasar kana Pasal 32 katut Penjelasanana; kitu deui sing saha nu ngabahas kalungguhan, ngabina atawa ngamekarkeun basa daerah jeung basa nasional tangtu nyindekel jeung nyekel kana Pasal 36 katut Penjelasanana Undang-undang Dasar 1945.

Bisa jadi ku lantaran ngan dua pasal nu eta dina UUD nu mere cecekelan hukum pikeun eta dua widang, sabab nepi ka kiwari eta pasal-pasal teh can ”diterjemahkeun” keneh wae kana Undang-undang nu leuwih diwincik tur sipatna operasional.

Eta pasal UUD 1945 anu jadi dasar hukum keur sagala kagiatan ngabina jeung ngamekarkeun kabudayaan jeung basa nasional katut daerah teh kieu unina;

Pasal 32:
Pemerintah memajukan kebudayaan Nasional Indonesia:
Penjelasan:
Kebudayaan bangsa ialah kebudayaan yang timbul sebagai buah usaha budinya rakyat Indonesia seluruhnya.

Kebudayaan lama dan asli terdapat sebagai puncak-puncak kebudayaan di daerah-daerah di seluruh Indonesia, terhitung sebagai kebudayaan bangsa. Usaha kebudayaan harus menuju ke arah kemajuan adab, budaya dan persatuan, dengan tidak menolak bahan-bahan baru dari kebudayaan asing yang dapat memperkembangkan atau memperkaya kebudayan bangsa sendiri, serta mempertinggi derajat kemanusiaan bangsa Indonesia. [ 16 ]

Pasal 36:
Bahasa Negara ialah bahasa Indonesia.
Penjelasan:
Telah jelas.

Di daerah-daerah yang mempunyai bahasa sendiri yang dipelihara oleh rakyatnya dengan baik (misalnya bahasa Jawa, Sunda, Madura dan sebagainya) bahasa-bahasa jitu akan dihormati dan dipelihara juga oleh negara. Bahasa-bahasa itu pun merupakan sebagian dari kebudayaan Indonesia yang hidup

Sakumaha biasana undang-undang dasar (konstitusi), eta pasal-pasal teh ngan ukur ngeunaan soal pokona. Tapi lamun urang inget yen rarancang undang-undang dasar nagara urang teh disusunna keur mangsa harengheng dina rek lekasanana Perang Dunya Kadua, waktu Balatentara Jepang masih keneh ngawasa Indonesia, sedengkeun tentara sekutu geus rek nyerbu, urang kudu ngarasa reueus bari nganuhunkeun ka para Bapa nu ngadegkeun nagara urang. Dina kaayaan sarupa kitu, bisa keneh mikir ku ati nu wening nepi ka bisa ngarumuskeun dasar-dasar nagara anu nepi ka kiwari lain bae karasa tetep aktual, tapi oge mere tujuan keur ngabina bangsa urang saterusna. Ditambah ku Lambang Nagara "Bhinneka Tunggal Ika,” para Bapa nu ngadegkeun nagara urang teh, geus mere hiji dadasar nu tohaga sarta lengkep.

Ku kituna, nepi ka kiwari tacan aya nu manggihan kakuranganana eta pasal anu dua. Anu jadi masalah mah kumaha narjamahkeunana eta pasal-pasal tea kana lengkah-lengkah operasional. Upamana dina ngabina jeung ngamekarkeun basa, timbul masalah ngeunaan peranan basa daerah nu di sawatara daerah digunakeun jadi basa panganteur di Sakola Dasar nepi ka kelas IV [ilikan Rumusan Sidang Pleno Praseminar Politik Bahasa Nasional, 1974 dina Ajip Rosidi, 1983:139-140), atawa ngeunaan ngamangpaatkeun basa daerah dina administrasi pamarentahan tingkat handap (Abud Prawirasumantri, 1974).

Sanajan dina eta pasal nu dua teh ngan disebut ngeunaan "Kabudayaan Nasional Indonesia” jeung ”Bahasa Indonesia,” tapi ari dina penjelasan- penjelasanana mah eces pisan ayana kapastian kalungguhan jeung pangakuan kana basa jeung kabudayaan daerah teh.

Penjelasan Pasal 36; tandes pisan netelakeun yen: ”Di daerah-daerah yang mempunyai bahasa sendiri yang dipelihara oleh rakyatnya dengan baik-baik.....bahasa-bahasa itu akan dihormati dan dipelihara juga oleh negara.”

Eta teh mangrupa jangji ti nu ngaradegkeun bangsa jeung nagara urang, nu kudu diestokeun jeung dilaksanakeun ku unggal pamarentah anu tetep nyekel jeung ngukuhan UUD 1945. Penjelasan saterusna nyebutkeun:

"Bahasa-bahasa itu (maksudna basa-basa daerah tea, AR.) "pun merupakan sebagian dari kebudayaan Indonesia yang hidup”. Ngeunaan kabudayan, Pasal 32 kalawan tandes nyebutkeun: "Pemerintah memajukan kebudayan Indonesia.”Penjelasanana nyebutkeun: ”Kebudayaan lama dan asli terdapat sebagai puncak-puncak kebudayaan di daerah-daerah di seluruh Indonesia. terhitung sebagai kebudayaan bangsa.” [ 17 ]Ku kituna basa (daerah) minangka unsur kabudayaan anu pohara vitalna, diaku minangka kabudayan bangsa, tur pamarentah teh wajib ngamajukeun kabudayaan bangsa.

Keur naon ngamajukeun kabudayaan bangsa teh?

Jawabna nyampak dina Penjelasan Pasal 32: "Usaha kebudayaan harus menuju ke arah kemajuan adab, budaya dan persatuan, dengan tidak menolak bahan-bahan baru dari kebudayaan asing yang dapat memperkembangkan atau memperkaya kebudayaan bangsa sendiri serta mempertinggi derajat kemanusiaan bangsa Indonesia.”

Ku kituna karasa pisan henteu merenahna rumusan GBHN Tap MPR Nomer 11/MPR/1985, ngeunaan kabudayaan nu butir nomer 7-na unina kieu: ”Pembinaan bahasa daerah dilakukan dalam rangka pengembangan bahasa Indonesia dan untuk memperkaya perbendaharaan bahasa Indonesia dan khazanah kebudayaan nasional sebagai salah satu sarana identitas nasional, ”nu siga rek ngawatesanan peranan bahasa daerah teh ngan dina raraga ngamekarkeun jeung ngabeungharan basa nasional(Indonesia) sarta ari ngabeungharan kebudayan nasional teh ngan saukur mangrupa hiji sarana identitas nasional wungkul. Padahal penjelasan Pasal 32 Undang-undang Dasar geus sakitu tetelana nyebutkeun, yen “Usaha kebudayaan harus menuju ke arah kemajuan adab, budaya dan persatuan .... serta mempertinggi derajat kemanusiaan: bangsa Indonesia.”

Kurang merenahna rumusan nu nyarusun GBHN ngeunaan kabudayaan jeung basa, kawasna sajalan jeung kataledoranana teu ngasupkeun basa Indonesia minangka unsur nu penting dina konsep Wawasan Nusantara. Kakurang talitian kawas kitu teh mudah-mudahan lain dilantarankeun ku kurang jembarna sawangan jeung katerang anu nyarusunna: tapi toh bisa nimbulkeun kawijaksanaan-kawijaksanaan nu beuki jauh mengparna di tingkat-tingkat anu leuwih handap, anu kudu nyarandekeun kawijaksanaan jeung lengkah-lengkah operasional kana rumusan GBHN tea.

Mudah-mudahan bae dina GBHN nu bakal datang mah, dimuat rumusan- rumusan ngeunaan kabudayaan jeung basa (nasional jeung daerah) nu leuwih luyu jeung uni katut jiwana UUD 1945.


Sajarah Daerah Sunda

Yen nu disebut kabudayaan Sunda teh manifestasi gagasan katut pikiran sarta kagiatan, boh nu abstrak boh anu mangrupa barang, hiji masarakat manusa anu disebut atawa nyebut dirina urang Sunda, kawasna henteu perlu dibejer beaskeun deui. Kitu deui yen urang Sunda teh jalma-jalma anu pangpangna maratuh di wilayah nu kiwari disebut propinsi Jawa Barat (iwal urang Jawa — Cirebon jeung Jawa—Banten, nya eta anu nyaricingan wewengkon basisir kaler Cirebon jeung Banten, jeung urang Malayu Betawi anu matuh di wewengkon Jakarta jeung sabudeureunana) teu perlu diwincik deui, .

Di eta wilayah, dumasar kana papanggihan-papanggihan barang-barang prasajarah anu sumebar ti basisir beulah kaler (nu kiwari kaasup kabupaten Tanggerang, [ 18 ]DKI Jakarta, Bekasi jeung Karawang). Kampung Muara jeung Pasirangin (nu kiwari kaasup Kabupaten Bogor). Padataran Leles (anu aya di Kabupaten Garut) nepi ka Cipari (Kabupaten Kuningan). geus kanyahoan ayana kahirupan masarakat. Rupa-rupa pakakas sapopoe. boh keur kaagamaan jadi bukti anu nuduhkeun yen ti rebuan taun katukang, eta wewengkon teh geus dicicingan manusa nu masarakatna teratur. Kitu deui dumasar kana prasasti-prasasti, beja sajarah tina sumber-sumber Cina jeung India, katut babad jeung kapercayaan satempat, di wewengkon aliran Citarum kungsi ngadeg karajaan anu disebut Karajaan Tarumanagara nu rajana Purnawarman. Eta karajaan teh kahiji di Jawa, kadua di Nusantara. (nu pangheulana nya eta karajaan Kutai). Tarumanagara mekar dina abad ka-4 jeung ka-5, ari lekasanana dina abad ka-7 katompernakeun (Edi S. Ekadjati, 1984; 77-81).

Bisa dijadikeun sual, naha masarakat pangeusi karajaan Tarumanagara teh urang Sunda atawa lain, lantaran prasasti-prasasti nu kapanggih teh kabeh ge ditulis ku aksara Palawa dina basa Sangsakerta,sedengkeun ngaran Tarumanagara jeung Purnawarman tetela bau India. Tapi sual nu sarua, bisa diasongkeun ngeunaan urang Melayu — Betawi di sabudeureun Jakarta: Naha aranehna teh lain "hasil sampingan” tina kawijaksanaan JaanPieterzoon Coen nu ngadegkeun benteng Batavia di Teluk Jakarta nu mangabad-abad saterusna jadi puseur perdagangan jeung administrasi pamarentah kolonial Walanda, nepi ka jadi tempat pangjugjugan pirang-pirang suku bangsa katut bangsa nu daratang terus matuh sarta ngalahirkeun kelompok masarakat anyar nu ngagunakeun basa Malayu nu geus mangabad-abad jadi basa pergaulan di sakuliah Nusantara jeung Semenanjung, nu saterusna disebut basa Malayu dialek Batawi — katut rupa-rupa manifestasi budayana nu nembongkeun pangaruh tina rupa-rupa budaya budaya sejen? Hartina, samemeh eta kota mekar jadi Batawi, saenyana mangrupa hiji kota palabuan Sunda nu dicicingan ku mayoritas urang Sunda-sakumaha nu disarankeun ku ngaranna anu asal: Sunda Kalapa jeung saterusna Jayakarta samerneh jadi Jakarta.

Sajalan jeung eta, masalah anu sarua bisa diasongkeun, ngeunaan daerah- daerah nu ayeuna dicicingan ku urang Jawa Banten jeung Jawa — Cirebon di tuturut basisir kaler.

Dina kasempetan sejen (Ajip Rosidi,1984a) ku kuring geus diasongkeun pamanggih yen wilayah anu ayeuna disebut propinsi Jawa Barat teh nurutkeun sajarahna mah pangmindengna ditarajang galura pangaruh asing nu ditarima kalawan terbuka, nepi ka aksara nu dipake sapanjang sajarahna oge rupa-rupa: Palawa, Sunda Kuna, Jawa, Arab jeung Latin. Dina eta kasempetan ku kuring geus disebutkeun yen sapanjang sajarah, di Tatar Sunda teh kungsi tilem timbul rupa-rupa karajaan nu tempatna pipindahan, nepi ka teu ngalaman mangsa tingtrim anu lila. Beda jeung urang Jawa nu rajana garetol nyieunan candi jeung stupa-stupa, raja-raja Sunda mah ampir teu ninggalan candi nu aya hartina. Naskah-naskah kuna nu mangrupa titinggal abad-abad nu kaliwat, loba anu tacan bisa dibaca, jeung dipublikasikeun ku lantaran kurangna tanaga ahli jeung soal [ 19 ]tehnis sejenna, nepi ka urang Sunda teh ngarasa "pareumeun obor" kaleungitan cahaya anu bisa mere pituduh ngeunaan sajarahna sorangan.

Humandeuar ngeunaan "teu ayana sajarah Sunda" mindeng ditimbulkeun ku anggapan yen titinggal sajarah teh kudu nu mangrupa candi atawa stupa, atawa wawangunan nu galede. Ditambah ku kurangna informasi anu bisa ditepikeun dumasar kana naskah-naskah anu aya, ngalantarankeun saeutikna tulisan sajarah Sunda. Dina basa Sunda oge buku-buku sajarah Sunda teh meh teu aya. Dina buku-buku sajarah nasional, biasana ngeunaan sajarah daerah Jawa Barat ngan saukur disabit patali jeung Tarumanagara, Galuh jeung Pajajaran, terus Banten jeung Cirebon.

Dibandingkeun jeung pedaran nu paranjang lebar ngeunaan karajaan Mataram Awal, Singasari, Majapait, Mataram jeung nu lianna, nu biasana sok minuhan buku-buku sajarah nasional, pedaran nu ngeunaan sajarah urang Sunda mah pohara saeutikna.

Moal kaleuleuwihi upama disebutkeun yen dina waktu nu lila, urang Sunda ngarasa dirina frustrasi ku lantaran jiga teu boga sajarah, nepi ka teu bisa nyaho, saha sabenerna ari dirina. Nya Karajaan Pajajaran katut Prabu Siliwangi jadi: cecekelan nu dianggap bisa mere jawaban kana kakosongan batinna, najan eta cecekelanana teh henteu meunang konfirmasi nu ngayakinkeun tina elmu sajarah.

Hadena dina sawatara taun ka dieunakeun, panalitian ngeunaan sajarah Sun-da teh geus lepas ngalengkah. Publikasi tarjamahan (mimiti dina basa Sunda,saterusna dina basa Indonesia) tina naskah-naskah Sunda Kuna ku Atja jeung Saleh Danasasmita, panalitian ngeunaan naskah-naskah nu beh dieu ku Dr. Edi S. Ekadjati, Dr. Emuch Hermansomantri jeung lian ti eta, katut hasil tulisan ngeunaan rupa-rupa penggelan sajarah ku rupa-rupa proyek, geus loba mere jawaban ka urang Sunda anu nepi ka kiwari nareangan jawaban, saha ari inyana teh.

Medalna buku Rintisan Penelusuran masa Silam Sejarah Jawa Barat (1983-4) nu lobana opat jilid (sanajan aripis tur saenyana upama lain proyek mahbisa disajilidkeun) nu disusun ku Drs. Saleh Danasasmita spk. tangtu bisa ngaleungitkeun kahanaang jalma-jalma nu tina sajarah teh hayangeun terang ngaran-ngaran rajana katut sagala rupa hal nu tumiba ka dirina katut ka kulawargana. Hal ieu bisa disusun ku Saleh Danasasmita spk. Ku lantaran ayeuna kapanggih naskah-naskah karya Pangeran Wangsakerta nu sok disarebut "Naskah-naskah Cirebon."

Basa Sunda

Puseur-puseur karajaan Sunda nu pipindahan, nu kawasna jadi tanda kahirupan masarakat anu agraris jeung ngahuma, teu ninggalan tradisi kabudayaan karaton atawa istana, nepi ka dina umumna bisa disebutkeun yen ciri utama kabudayaan Sunda mah sipatna teh kabudayaan rayat. Kakara dina ahir abad ka-18 atawa awal abad ka-19, aya sababaraha kabupaten nu kawasna ngeunteung ka karaton-karaton Jawa, nyoba-nyoba melakkeun tradisi kabudayaan karaton ku jalan ngamekarkeun rupa-rupa kasenian saperti tembang jeung penca di kabupaten [ 20 ]Cianjur, salian ti ngahirupkeun tradisi undak-usuk basa katut sagala atribut tatakramana. Kasenian tembang anu cenah mimitina mah nurutan macapat jeung tembang gede jeung alit, mekar di kabupaten Cianjur nepi ka ngalahirkeun Tembang Cianjuran nu dianggap manifestasi pangluhurna seni musik (vokal) Sunda, nu geus lesot tina pangaruh tembang Jawa, iwal meureun wangunan guguritan anu masih sok ditembangkeunana.

Macapat teh wangunan sastra babad, nurutkeun G. Moedjanto (G. Moedjanto, 1985), mekarna babarengan jeung unggah-ungguhing basa, mangrupa dua produk karajaan Mataram ti mimiti Sultan Agung ngayakeun konsolidasi kaagungbinantaraanana. Basa Jawa samemeh Mataram henteu make unggah-ungguhing basa. Kitu deui sastra babad kakara subur ti barang Sultan Agung marentahkeun ka para bujangga karaton sangkan nulis Babad Tanah Jawi nu mangrupa legimitasi kakawasaanana. Cindekna mah sastra babad jeung unggah-ungguhing basa teh geus jadi alat politik, lantaran Sultan Agung nu asalna ti kalangan patani, ngarasa perelu nyiptakeun wates sosial sabada ngawangun karajaan Mataram anu agung-binantara. Unggal jalma dikudukeun ngagunakeun basa kromo keur ka raja, ari raja ngagunakeun basa ngoko ka unggal jelema — hal ieu teh mangrupa ciri ningkatna kaagung-binantaraan raja di hareupeun ponggawa katut rayatna, sanajan saenyana mah karajaan Mataram teh beuki mundur da kadeseh ku VOC. Anu matak narik mah nya eta unggah-ungguhing basa teh beuki lila beuki ruwet, padahal kakawasaan raja (Mataram) beuki mundur Ceuk Breton de Nijs tea mah (Benedict R. Anderson, 1984 : 19) para sultan jeung sunan Jawa teh jadi taya bedana ti levende wajangpoppen (boneka hirup) kakawasaan Walanda. Dina suasana kitu kawasna para sultan jeung sunan teh beuki getol ngaruwetkeun unggah-ungguhing basa jeung unggah-ungguh (tatakrama) kaasup nyiptakeun atribut pikeun unggal-unggal tingkat kapangkatan mangrupa payung, keris, solempang jeung sabangsana.

Kacida hanjakalna sabab nepi ka kiwari acan aya panalitian ti iraha undak-usuk basa diwanohkeun ka masarakat Sunda. Undak-usuk basa teh istilah basa Sunda keur unggah-ungguhing basa. Sakaterang nepi ka kiwari oge tacan aya panalitian naskah-naskah basa Sunda ngeunaan hal eta. Tapi kuring boga kesan yen dina naskah-naskah ti abad ka-18 nu di antarana ditulis dina aksara Sunda Kuna, undak-usuk basa teh tacan katembong. Cohagna mah gede kamungkinan undak-usuk basa teh mimiti mekar dina naskah-naskah awal abad ka-19 atawa paling oge ahir abad ka-18. Kawas dina basa Jawa, undak-usuk basa teh mekarna bareng jeung sastra babad (wawacan). Sarta ku lantaran geus tangtu nu ngamekarkeunana teh dalem di lingkungan kabupatenna, padahal kalungguhan para dalem Sunda teh harita aya di handapeun kakawasaan nu sejen (nya eta Mataram tuluy diganti ku VOC), jadi bisa dipastikeun yen motif kawas anu nyampak di Sultan Agung nu rek ngajadikeun undak-usuk basa jeung sastra babad minangka alat politik pikeun nunjang kaagung-binantaraanana teh, henteu aya. Cohagna mah eta tarekah teh henteu leuwih ti, atawa ngan ukur niru-niru urang Jawa jeung kabudayaanana, nu ti wangkid Sultan Agung geus nembongkeun [ 21 ]kakuatan jeung kaunggulanana ka para bupati Sunda; atawa milu gehgeran kawas leuende wajangpoppen anu merelukeun teater pikeun manggung tempat aranjeunna ngimpen jadi mahluk anu pinilih luhur ti nu lian — sanajan ari kanyataanana mah jadi titincakan Walanda.

Nu tetela urang Walanda teh katenjona henteu kaabotan ku ayana usaha model kitu, malah henteu mustahil milu ngarojong. Para pejabat Walanda anu ditempatkeun di Tanah Sunda ngarasakeun ni'matna undak-usuk basa Sunda, lantaran maranehanana diperenahkeun dina tempat nu terhormat: hartina kecap-kecap nu dipake cacarita jeung maranehanana kudu basa lemes. Jeung ku lantaran maranehanana leuwih luhur manan priyayi, atuh para priyayi teh, pangpangna nu panghandapna, lamun nyanghareupan maranehanana lain bae kudu make basa lemes, tapi oge kudu make tatakrama deuih, nya eta diuk mendeko di handap bari acong-acongan nyembah. Komo rayat leutik mah!

Teu matak heran lamun dina mangsa sakola-sakola diadegkeun keur kaum pribumi, diajarkeun basa Sunda katut undak-usukna. Tangtu 'make tatakrama jeung sakabeh rengu jeung rengkuh anu aya patalina jeung eta. Ku jalan sakola tea, nu murid-muridna lain bae ti lingkungan kabupaten atawa kaum priyayi, disebarkeun konsep undak-usuk basa anu disebut bagian nu teu bisa dipisahkeun tina kaluhungan basa jeung kabudayaan Sunda.

Ku lantaran sakola-sakola teh kakara diayakeun dina bagian kadua abad ka-19, atuh saenyana mah melakkeun konsep undak-usuk basa dina basa Sunda teh bisa disebutkeun tacan jero pisan akarna. Beda deui jeung dina basa Jawa anu geus mekar kalawan intensif ti abad ka-17. Dina basa Jawa, kaayaanana yeus pohara pajeujeutna, nepi ka Benedict R. Anderson nganggap yen hal sarupa kitu teh lir liang-hideung di-angkasa (blackhole) dina tradisi basa jeung sastra Jawa nu ngalantarankeun para sastrawan Jawa kiwari neangan basa sejen pikeun nulis (sarta maranehanana narulis dina basa Indonesia. sanajan boh sadar boh henteu, salawasna nganggap yen publik nu macana teh urang Jawa), ku alesan politik jeung ekonomi (Benedict R. Anderson, 1984: 15. 57).

Najan kitu, ku lantaran undak-usuk basa teh masih keneh jadi bagian pangajaran basa Sunda nu dianggap penting di sakola-sakola, anu oge katingal tina buku-buku pangajaran anu dipakena, akibat negatifna teh nyosok-jero di masarakat Sunda, anu oge mangaruhan kana dipakena jeung kamekaranana basa Sunda. Loba jalma (lain bae budak ngora) anu ku lantaran sieun salah ngagunakeun basa Sunda, (nu saenyana mah sieun salah ngagunakeun undak-usuk basa), ngarasa leuwih hade teu nyarita ku basa Sunda, sanajan sabenerna mah faktor-faktor obyektif jeung situasina ngudukeun make basa Sunda.

Peranan basa dina kabudayaan.

Kahoream ngagunakeun basa daerah (Sunda) dina situasi nu ngudukeun ngagunakeunana, tangtu ngahalangan kamekaran anu wajar eta basa, sarta ku kituna ngahalangan kamekaran kabudayaanana. Peranan basa dina kabudayaan teh pohara pentingna, sabab kapan nya basa anu jadi wahana kabudayaan teh. [ 22 ]Ku kituna basa Sunda teh wahana kabudayaan Sunda, anu bisa ngedalkeun kabeh gagasan, pikiran, kagiatan jeung kreativitas manusa Sunda kalawan merenah. Ku lantaran mekarna basa teh salawasna salaras jeung masarakat nu makena, basa Sunda ge jadi eunteung kabudayaan masarakat Sunda dina unggal tahap kamekaran sajarahna.

Tapi saprak kamerdikaan bangsa Indonesia diproklamasikeun dina tanggal 17 Agustus 1945, nu ngawengku sakabeh seler bangsa nu aya di sakuliah Indonesia, urang Sunda jadi bagian anu integral di jero nagara-nagara nu diproklamasikeun tea. Oge ku lantaran nagara bangsa anu dicita-citakeun teh dumasar kana gagasan demokrasi (kedaulatan rayat)sakumaha nu kaunggel dina Pembukaan UUD 1945, hususna dina rumusan anu engkena kagurnita make ngaran Pancasila. Pancasila nu jadi titik-temu katut dasar filsafat negara Republik Indonesia anu dina Pembukaan UUD 1945 disebut ”berkedaulatan rakyat” teh, kacida nandeskeunana pentingna gagasan demokrasi, sakumaha nu kapanggih dina rumusan-rumusan: sila ”kemanusiaan yang adil dan beradab”, ”kerakyatan yang dipimpin oleh hikmat kebijaksanaan dalam permusyawaratan-perwakilan” jeung "mewujudkan suatu keadilan sosial bagi seluruh rakyat Indonesia.”

Eces pisan yen masarakat nu dicita-citakeun ku Pancasila teh masarakat anu tanpa diskriminasi, kelas-kelas atawa tingkat-tingkat sosial. Ieu cita-cita teh tangtu kudu kaciri dina basa anu ngarojongna, basa anu jadi wahanana. Basa anu dipilih jadi basa nasional teh basa Indonesia anu asalna tina basa Malayu, anu lamun dibandingkeun jeung basa Jawa atawa Sunda mah bisa disebutkeun henteu make undak-usuk basa.

Loba pisan anu muji ka para pemuda anu dina Kongres Pemuda 1928 geus ngangkat basa Malayu jadi basa persatuan, lain basa Jawa anu leuwih rea pendukungna jeung leuwih jembar kasusastraanana tur umurna pangkolotna. Tapi di dieu kuring sakali deui arek ngahaturkeun pujian ka para sepuh nu ngadegkeun bangsa jeung nagara urang, lantaran aranjeunna ti anggalna keneh ge geus waspada yen ngan basa anu demokratis nu henteu make undak usuk, nu teu make unggah-ungguhing basa anu bisa jadi sarana anu cocog pikeun hiji masarakat demokratis anu dicita-citakeun teh. Kumaha pirupaeunana lamun para pemuda harita dina eta kongres milih basa Jawa atawa Sunda pikeun jadi basa persatuan. ....

Sabalikna ku lantaran kahirupan bangsa teh dumasar kana cita-cita demokrasi, nya timbul akibat anu nyulitkeun kamekaran basa-basa daerah anu make undak-usuk atawa unggah-ungguhing basa saperti basa Sunda jeung basa Jawa.

Nyebarna cita-cita pikeun nyusun masarakat demokratis, nu jelemana duduk sama rendah jeung berdiri sama tinggi, nu mekarna gancang pisan pangpangna dina awal jeung sapanjang revolusi fisik, nimbulkeun konflik dina diri jalma-jalma nu ngarojong jeung nu ngagunakeun basa-basa anu make undak-usuk jeung unggah-ungguhing basa. Nya kaayaan nu kitu nu beuki ngandelan prasangka politik kana usaha ngabina jeung ngamekarkeun basa daerah teh, anu dianggap identik jeung cita-cita feodal (nu patukangtonggong jeung asas demokrasi); komo [ 23 ]ku ayana usaha pihak Walanda nu nyieunan nagara-nagara daerah jadi boneka keur ngepung nagara proklamasi Republik Indonesia mah.

Minangka jawaban kana situasi kawas kitu, dina awal taun 1950-an di kalangan para ahli basa Sunda timbul gagasan pikeun "ngademokrasikeun basa”. Tapi eta gagasan teh mangrupa gagasan abstrak, nepi ka henteu mere program kerja anu eces. Komo ku ayana jalma-jalma anu ngarasa lebareun mun undak-usuk dileungitkeun, lantaran nganggap undak-usuk (jeung tatakrama rengu rengkuh) teh mangrupa bukti "kalemesan budi urang Sunda”. Sababaraha guru anu nyusun pangajaran basa Sunda anu nyokot jalan tengah.(”sineger tengah” teh hiji sikep anu pinuji di masarakat Sunda) nyebutkeun yen salaras jeung asas demokrasi, basa lemes jeung basa kasar teh kudu dileungitkeun, tapi bari ngawanohkeun istilah anyar, nya eta ”basa sopan” jeung "basa cohag”. Tapi ari prinsip jeung hakekatna mah henteu robah!

Gagasan anu ku kuring kungsi diasongkeun (1981) sangkan undak-usuk basa entong dipalire, nepi ka ku kitu teh urang Sunda engkena moal sarieuneun deui ngagunakeun basa Sunda, nimbulkeun reaksi ti kalangan para guru nu ngarasa bakal nyanghareupan chaos mun eta hal dijalankeun di jero kelas, lantaran para guru teh bakal leungiteun padoman dina meunteun basa anu digunakeun ku murid-muridna.

Kuring oge maphum kana eta reaksi ti kalangan para guru. Tapi ieu hal teh cek kuring mah teu jadi masalah gede, mun gagasan kuring tea ditarima ku para ahli basa, nu narulis buku pangajaran basa jeung para pejabat anu aya patalina jeung eta masalah, nepi ka guru henteu kudu kauger ku palaturan jeung katangtuan undak-usuk basa. Ku kituna para guru henteu kudu panik atawa bingung.

Gagasan nu ku kuring diasongkeun teh, kuring yakin pisan, kacida realistikna. Upama eta gagasan ditarima ku para ahli basa jeung nu nyarusun buku pangajaran basa Sunda pakeeun di sakola-sakola, bakal moal aya deui urang Sunda nu teu wani ngagunakeun basa Sunda ku lantaran "sieun salah” (atawa leuwih merenah: "sieun disalahkeun”) nu saenyana mah sieuneun disebut "jelema nu teu sopan,” "urang kampung manyang-munyung”, "jauh ka bedug”, ”teu nyakola” jeung sabangsana, nu dina mangsa beh ditu sok dipake ngahukuman ka jelema-jelema anu teu nyaho sarta tara ngagunakeun undak-usuk basa sakumaha mistina.

Jalma-jalma nu ngawasa, mikawanoh tur kadidik dina basa Sunda anu make undak-usuk, beuki lila beuki ngurangan, sabab kaburu ku pati. Dina kaayaan kitu, pangaruh basa Indonesia anu leuwih basajan jeung leuwih demokratis beuki ningkat, najan ahir-ahir ieu beuki tembong timbulna basa Indonesia anu kurang demokratis, atawa mun ceuk basa dina mangsa revolusi mah ”nu bau-bau feodal”, balukar tina hirupna deui neo-feodalismeu ti saprak aya Demokrasi Terpimpin dina mangsa Presiden Soekarno, nu sanajan geus ganti orde batan leungit kalah ka maceuh. Tapi eta mah masalah sejen anu merelukeun bahasan husus.

Gagasan anu ku kuring diasongkeun teh, beda jeung gagasan Jawa Dipa anu kungsi diasongkeun ku Tjokrosoedarmo dina taun wewelasan, anu nganggap yen [ 24 ]basa ngoko teh basa Jawa anu asli, nepi ka nya basa eta 'anu dianggap cocog keur masarakat Jawa anyar, sedengkeun basa kromo mah dianggap kudu dipiceun. Eta gagasan meunang dukungan ti tokoh Sarekat Islam jeung surat kabar Oetoesan Hindia, nu minangka corongna Sarekat Islam tur dipingpin ku Sesepuhna, H.O.S. Tjokroaminoto: ngan ahirna dibantah antarana ku tokoh anu kawentar, Dr. Tjipto Mangoenkoesoemo (Anderson. 1984 : 29 — 30). Ceuk pamanggih kuring mah boh basa kasar boh basa lemes, kudu dianggap sarua, nya eta pada-pada basa Sunda. Kecap-kecap lemes jadi sinonim kecap-kecap basa kasar, atawa sabalikna.

Tapi sangkan angger nembongkeun "kalemesan budi urang Sunda,” sababaraha kecap jeung idiom disayagikeun keur pakeeun ka nu sejen. Hal ieu teh bakal bisa nampung kahayang jalma-jalma anu ngarasa sareukseuk mun ngadenge anu nyarita "abdi angkat”. "bumi abdi". "putra abdi” jeung sabangsana. Aya hadena saupama ditetepkeun sababaraha kecap jeung idiom minangka kecap-kecap sopan anu ngan dipake keur ka-nu sejen.

Merelukeun hiji putusan politik.

Dina kalimah panutup kuring ngagunakeun kecap “ditetepkeun”, nu tangtu bakal nimbulkeun pananya: ditetepkeun ku saha?

Jawabna teh: Nya ku urang.

Anu dimaksud ku urang di dieu teh nya eta nu marake basa Sunda anu sadar kana gawatna situasi anu keur disanghareupan ku basa nu matak lebar lamun nepi ka leungit atawa paeh teh. Sakumaha anu geus dijentrekeun dina pedaran ngeunaan dijieunna unggah-ungguhing basa ku nu karawasa di Mataram, saenyana urang teh bisa mere panungtun kana basa anu dipake di masarakat. Language engineering di jaman kiwari lain hiji hal anu aheng.

Dina sajarah pangajaran basa Sunda, urang geus nyaksian guru-guru basa Sunda taun wewelasan kayaning D.K. Ardiwinata kungsi netepkeun dasar-dasar basa Sunda ku nulis buku-buku nu tuluy diajarkeun di sakola-sakola. Peranan jeung pagawean anu saperti kitu teh dipindo deui ku R. Soeria di Radja nu kalawan kamandangna J. Kats, hiji Walanda ahli basa Jawa jeung Sunda, nyusun buku Panyungsi Basa dina taun 1930-an anu rea dipake, malah nepi ka kiwari aya keneh pangaruhna dina ngagunakeun jeung ngajarkeun basa Sunda. R. Soeria di Radja ngaganti D.K. Ardiwinata dina netepkeun dasar-dasar basa Sunda anu kudu diarulik jeung digunakeun ku urang Sunda nu "nyakola".

Sanggeus kira-kira saparapat abad, kanyahoan yen buku-buku anu disusun ku D.K. Ardiwinata teh dianggap geus teu nyukupan pangabutuh atawa henteu salaras jeung kamekaran masarakat nu marake basa Sunda, nepi ka R. Soeria di Radja nyokot kasempetan pikeun nyusun basa Sunda standarna.

Ayeuna, kurang leuwih satengah abad sabada R. Soeria di Radja nyusun Panyungsi Basa, saenyana perelu hiji buku anyar anu bisa digunakeun pikeun netepkeun dasar-dasar basa Sunda keur masarakat ayeuna, nya eta sabada Indonesia merdika, teu cukup ku nyusun buku-buku anu mangrupa saduran [ 25 ]beunang ngaropea sautak-saeutik tina Panyungsi Basa. Ku lantaran masarakat geus barobah nu tadina kolonial jadi merdika, atuh basa Sunda perelu dibebenah deui supaya tetep miboga fungsi jadi wahana masarakatna anu geus jadi bagian nu integral ti Republik Indonesia merdika nu mibanda cita-cita demokratis karayatan.

Jadi eces yen lamun urang nyokot putusan ngeunaan masalah ieu, urang teh nyokot putusan politik, nya politik basa. Eta putusan baris aya mangpaatna lamun dirojong ku pamarentah, boh di pusat boh (pangpangna) di daerah, nepi ka buku anu disusun dumasar kana eta putusan teh digunakeun di sakola-sakola nu ngajarkeun basa Sunda. Bareto oge buku-buku anu ditulis ku D.K. Ardiwinata jeung R. Soeria di Radja teh "meunang restu” ti pejabat Departemen O.K. & W. (Pangajaran, Pendidikan jeung Peribadatan Hindia Walanda) sangkan dipake di sakola-sakola di sakuliah Tatar Sunda.

Kuring nganggap penting netepkeun sikep ngeunaan basa Sunda nu mana jeung nu kumaha anu rek diajarkeun ka murid-murid di sakola, sabada urang sapamadegan yen basa Sunda teh salah sahiji basa daerah "yang dipelihara oleh rakyatnya dengan baik-baik” kudu "dihormati dan dipelihara juga oleh Negara”. Cara anu kungsi ditepikeun (Ajip Rosidi 1983: 139-155), ngahormat jeung miara basa daerah teh henteu cukup ngan ku ngajadikeun eta basa jadi obyek studi atawa ngan saukur henteu ngalarang bae. Sabab sanajan urang geus sapamadegan ngeunaan pereluna ngajarkeun atawa ngagunakeun basa Sunda minangka basa panganteur di sakola nepi ka kelas tilu atawa opat, tapi lamun urang henteu gancang mutuskeun basa Sunda nu kumaha anu rek diajarkeun teh, atawa anu digunakeun minangka basa panganteur teh, henteu mustahil baris timbul kontroversi jeung cita-cita bangsa katut nagara cara anu geus dirumuskeun dina Pembukaan UUD 1945.

Tangtu ngabina jeung ngamekarkeun basa anu tepat, baris jadi dasar anu sehat pikeun ngabina jeung ngamekarkeun kabudayaan sacara umum. Ngingetkeun pentingna peranan basa Sunda minangka wahana kabudayaan Sunda, atuh ngaheulakeun nyokot putusan politik ngeunaan ngabina jeung ngamekarkeun basa Sunda teh jadi hal anu mutlak. Sedengkeun aspek-aspek kabudayaan nu sejenna kayaning kahirupan kaagamaan jeung kapercayaan, elmu pangaweruh jeung teknologi, kahirupan ekonomi jeung sosial, tanwande bakal ngaintegrasi kana eta aspek-aspek dina kabudayaan nasional, jadi henteu perelu aya usaha ngabina jeung ngamekarkeunana sacara husus. Ari aspek-aspek sajarah, kasenian jeung kasusastran, raket pisan patalina jeung aspek basa. Usaha ngabina jeung ngamekarkeun basa Sunda, baris sakaligus ngabina jeung ngamekarkeun kasusastran jeung kasenian sarta sajarah Sunda, pangpangna lamun eta usaha ngabina jeung ngamekarkeun basa teh dirojong ku kagiatan medalkeun buku-buku dina basa Sunda, nu eusina tangtu mangrupa karya sastra, buku-buku sa- jarah (kaasup babad-babad, riwayat-riwayat jeung sabangsana nu sipatna lokal) jeung buku-buku kasenian lianna (musik, ibing, teater jeung sajabana.) [ 26 ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/26 [ 27 ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/27 [ 28 ]SAINI KM

Dosen ASTI Bandung nu meunang gelar doktorandeus ti Jurusan Bahasa dan Sastra Inggris IKIP Bandung. Kungsi jadi dosen Akademi Teater 8i Film sarta Lektor Luar Biasa Fakultas Keguruan Sastra dan Seni IKIP Bandung. '

Lahir 16 Juni 1938 di Sumedang. Tulis- anana nu mangrupa carpon, sajak, kritik & esei ngeunaan sastra jeung kabudaya- an, remen dimuat dina Mangle.

Lian ti dina basa Sunda, dina basa Indo- nesia oge nulis artikel jeung tarjamahan. Kumpulan sajakna dina basa Indonesia: Nyanyian Tanah Air /7968) jeung Rumah Cermin. Tarjamahanana: Percakapan de- ngan Stallin (karya Milovan Djilas, 1963) jeung Bulanidi luar Penjara (kumpulan sa- jak Ho Tji Minh, 1965)

...

28 [ 29 ]UNDAK-USUK DINA BASA SUNDA

Catetan kana sabagian makalah Ajip Rosidi

Ku: Saini KM.

IEU tulisan seja nyawang sabagian tina makalah Ajip Rosidi, nya eta bagian nu nyawalakeun patalina undak-usuk basa jeung demokrasi. Ari nu dipiharep malah-

mandar pasualan-pasualan nu teu acan kakoreh ku Ajip Rosidi kaimeutan tur jadi pikiraneun urang sadaya.

Basa Eropa jeung Basa Indonesia

Basa-basa Eropa nu diulik tur digunakeun ku bangsa urang, saperti Basa Walan- da, Inggris/Amerika jeung Perancis, kaasup basa-basa baku atawa geus dibakukeun (distandardisasi). Di Eropana sorangan, di sagigireun basa baku teh masih aya keneh basa-basa wewengkon (dialek). Dina katompernakeun Abad XX mah, basa-basa wewengkon ieu teh malah nembongkeun tanda-tanda hudang deui. Sanajan kitu, ari nu dipiwanoh jeung mangaruhan urang mah, tetep bae basa nu baku tea.

Hirupna basa wewengkon di nagara-nagara Eropa tanwande aya patalina jeung sajarah Eropa sorangan. Urang terang, yen sanggeus tilemna kakaesaran Romawi, Eropa ngalaman Jaman Pertengahan. Lamun di jaman Romawi tatalimarga kacida lancarna tur bangsa-bangsa bisa campur-gaul kalawan raket, dina Jaman Pertengahan mah beda. Mobilitas bangsa-bangsa ngurangan, lain bae lantaran tatalimarga ruksak jeung nyirorot fungsina, tapi oge lantaran sistem-ekonomi agraris jeung sistem politik feodal nyengker masarakat, pangpangna masarakat leutik, pikeun bagerak kalawan laluasa.-Malah golongan patani nu disebut serfg mah teu sirikna katalian ku lahan tempat gawena, tur bakal dihukum lamun wani- wani indit ti dinya. Kasawang upama dina kaayaan saperti kitu basa-basa wewengkon tumuwuh kalawan subur. Lain ngan ukur basa wewengkon, tapi oge adat jeung kabiasaan nu mandiri di wewengkon sewang-sewangan,

Ti wangkid Abad XVII parobahan-parobahan nu gede hartina tina jihat sajarah karandapan ku bangsa-bangsa Eropa. Golongan sodagar nu meunang kaun-

29 [ 30 ]tungan tina ayana praktek kolonialisme, beuki lila beuki kuat bae. Kalungguhan golongan sodagar teh ahirna ngungkulan kalungguhan golongan feodal, di an- tarana ku cara revolusi, saperti Revolusi Perancis taun 1789 nu mangrupa pun- cak jeung conto panghadena pikeun revolusi kaurmh sodagar atawa burjuasi.

Unggulna kakawasaan kaum sodagar bareng jeung lahirna nagara-nagara na- sional. Nasib bangsa jeung riagara lesot tina kakawasaan wangsa-wangsa feodal ru sakapeung teu sabangsa jeung nu diparentah. Para pamingpin bangsa dipilih di antara golongan burjuasi nu raket jeung masrakat bangsana tur dianggap bakal jadi jejer dina ngahontal cita-cita bangsa. parobahan kapamingpinan ti golongan feodal ka golongan sodagar atawa burjuasi mawa balukar nu gede boh di widang pulitik, ekonomi, katentaraan jeung kabudayaan. Dina widang pulitik, disen- tralisme jeung otonomi daerah di zaman feodal kadeseh ku sentralisme nu ngabalukarkeun nguranganana otonomi wewengkon. Tumuwuhna sentralisme ngarojong kana tumuwuhna basa nasional tur nyirorotna basa wewengkon. Basa Perancis resmi nu tadina ngan ukur mangrupa dialek di Paris jeung sakurilingna, ditetepkeun kalungguhanana jadi basa nasional nu balukarna nyedekkeun dialek- dialek sejen; kitu deui basa Inggris nu ku urang dikenal ayeuna, saestuna mah ngan ukur salah sahiji dialek bae. Tumuwuhna basa nasional ngandung harti ayana usaha-usaha ngaronjatkeun basa nasional tea jadi alat komunikasi nu ampuh nu ngawengku sakumna bangsa, Supaya daya komunikasi ampuh, basa nasional kudu dibakukeun atawa distandardisasikeun.

Kalawan perbedaan-perbedaan nu tanwande aya disawang tina jihat perkem- bangan basa-basa Eropa jeung basa Indonesia, bakal eces yen hal-hal anu sarua oge nyampak, Basa nasional Indonesia mangrupa salah sahiji alat pikeun ngawengku persatuan nasional jeung nagara (kesatuan) nasional. Kawas basa- basa nasional sejen, basa Indonesia oge aya dina proses pembakuan.

Basa jeung Demokrasi

Upama Alton L Becker nyebutkeun yen ngawasa jeung ngajajahna manusa ka manusa sejenna bisa kapanggih dina rarancang struktural berpikir masarakat, tan- wande basa oge bakal nembongkeun sipat ngawasa jeung ngajajah. Lain basa bae, malah tulisan (aksara), nembongkeun sipat kitu. Upamana bae, dina basa Inggris, tug nepi ka ayeuna, kecap patani (peasant), masih keneh sok digunakeun sacara pejoratif atawa pikeun ngahina. Ieu teh moal boa salah sahiji sesa ti jaman feodal, waktu para patani mangrupa kelas panghandapna di masarakat. Di sagigireun ayana kelas nu dianggap rendah jeung dihina, di masarakat feodal golongan menak nyekel kakawasaan jeung sagala kahormatan. Wanita nu hade tingkah-lakuna disebut kawas putri (like a lady atawa ladylike); jalma nu sopan- santun disebut courteous (kawas urang karaton) jsb. Lamun urang nyawang basa Jawa, sipat ngawasa jeung ngajajah teh bakal leuwih eces,lantaran dina basa Jawa mah tarap formalitasmena leuwih luhur dibanding jeung basa-basa Eropa. Teu munasabah upama basa Jawa mangrupa hiji obyek kajian sosiolinguistik nu kacida populerna di antara para ahli. Satah sahiji*aspek basa Jawa nu nonjol nya eta

30 [ 31 ]tingkat-tingkat basa atawa unggah-ungguh.Ayana kawajiban ngagunakeun basa lemes (krama) ti pihak nu statusna rendah ka nu statusna luhur atawa ti pama- jikan ka salaki, tur ayana wewenang ngagunakeun basa ngoko ti nu statusna luhur ka nu rendah, kalawan eces nembrakkeun ideologi feodal nu teu bisa dilesotkeun tina mekanisme jeung praktek ngawasa jeung nindes (control and exploitation)."Conto-conto ngeunaan layeutna basa jeung ideologi masarakat atawa kelas masarakat nu nyangking kakawasaan henteu hese neanganana.

Ari basa nasional kumaha? Tadi geus diterangkeun yen basa nasional bangsa- bangsa Éropa lahir jeung tumuwuh jeung nagara-nagara nasional. Ideologi nu jadi pangdeudeul basa-basa nasional taya lian ti ideologi kaum sodagar. Sipat analitis, logis jeung lugas (zakelijk, businesslike) mangrupa ciri-ciri basa sodagar. Eta ciri-ciri teh kacida saluyuna jeung aspirasi kaum sodagar atawa burjuasi pikeun miboga basa nu efisien dina ngalaksanakeun dagang jeung ngokolakeun industri. Efisiensi komunikasi ngabalukarkeun basa jadi impersonal (teu pribadi), denotatif (nyingkahan perasaan, suasana, asosiasi-asosiasi) , di sagigireun analitis, logis jeung lugas. Sifat-sifatna nu saperti kitu teh beuki kuat ku tumuwuhna pangaweruh il- miah jeung teknologi. Bakal jentre deuih yen basa nasional mah henteu malire kana status boh nu nyarita boh nu diajak nyarita; apan tadi oge disebutkeun, yen basa teh kudu mangrupa alat komunikasi nu efisien. Perasaan, suasana, situasi, asosiasi-asosiasi, status nu nyarita jeung nu diajak nyarita, teu penting.

Ku teu ngabeda-bedakeun status, naha basa nasional bebas tina mekanisme jeung praktek pangawasaan jeung penindesan? Jawabna: henteu. kieologi na- sional burjuasi sacara implisit nembongkeun aspirasi kontrol jeung eksploitasi dina milih jeung ngagunakeun kecap-kecap. Kecap feodal, agraris, kadaerahan nu netral dina sawala ilmiah, dina ragam basa sapopoe digunakeun sacara pejoratif (ngahina). Urang Eropa nu terpelajar bakal sedih atawa era upama disebut pro- vincial (kampungan). Sabalikna kecap entrepreneur atawa manager, industri, metropolitan jsb. miboga pamor. Sikep nu nekenkeun pentingna kalungguhan basa salaku alat komunikasi nu efisien oge ngandung harti nindes, nya eta kana aspek basa salaku alat ekspresi-diri, ekspresi-situasi jeung suasana. Mekanisme jeung praktek ngawasa jeung nindes nu pangnonjolna dina basa nasional-burjuasi pangpangna tembong dina basa iklan jeung propaganda. Kalawan ngagunakan pseudologika atawa ngalakukeun manipulasi-pikiran ka nu maca, pausahaan atawa lembaga kakawasaan ngalaksanakeun kontro! jeung eksploitasi.

Basa Indonesia, salaku basa nasional tanwande moal bebas tina tendensi- tendensi nu disebut di luhur. Komo deui upama urang sadar, yen proses bur- juasi jeung kapitalisasi kahirupan kacida hangkeutna.

Feodal, nasional, komunal jeung filial

Sanajan undak-usuk dina basa Sunda inangrupa pangaruh tina unggah-ungguh basa Jawa nu sipatna feodal, dina digunakeunana dina basa Sunda undak-usuk teh teu sarua jeung unggah-ungguh Jawa. Upamana bae, posisi kromo-ngoko nu asimetris jeung teu adil dina basa Jawa — upamana, nu statusna luhur boga

.31 [ 32 ]hak nyarita ngoko sedeng nu rendah boga kawajiban nyarita kromo, dina basa Sunda mah teu kitu. Ngagunakeun basa kasar-lemes dina basa Sunda leuwih fleksibel. Upamana bae, lantaran tukang-kebon nu sok ngaberesihan buruan- buruan imah di kompleks wartawan leuwih kolot ti nu nulis, nu nulis ngagunakeun basa lemes, boh dina pilihan kecap boh dina lentong. Ka tukang nyemnprot hama, anu oge langganan urang kompleks wartawan, kuring ngagunakeun basa lemes tapi lentongna rada cohag, lantaran tukang kebon teh umurna saadieun nu nulis. Waktu kuring leutik, Ki Lanceuk biasa ngagunakeun basa cohag, sabalikna kuring ngagunakeun basa lemes. Sanggeus kuring dewasa, lanceuk jeung kuring pada-pada ngagunakeun basa lemes, silih-sopanan. Ana kitu, dina basa Sunda mah, undak usuk teh lain (ngan ukur) ekspresi status sosial, tapi oge mangrupa ekspresi status filial tina hiji masarakat nu komunal, masarakat duduluran jeung karayatan. Ngagunakeun basa lemes-kasar salawasna robah- robah, saluyu jeung pola-duduluran nu nyampak waktu nyarita.

Di sagigireun eta, pola-guna lemes-kasar teu salawasna mangrupa ekspresi sosial tapi oge mangrupa ekspresi psikis. Jadi, lernes-kasar teu salawasna mangrupa fenemen sosioli.nguistik, tapi oge fenomen psikolinguistik. Upamana dina situasi di handap. :

Indung: “Geura bobo, bageur,” Si budak, najan geus peuting, tetep bae ulin jeung heureuy.

Indung: ”Eh, disare-sare teh,” budak teh teu nurut bae.

Indung: “Geura molor siah!” bari gaplok bujur budak teh diteunggeul.

Teu arang lemes-kasar teh mangrupa ekspresi estetis, pangpangna dina milih kecap nu luyu, upamana dina salinan ayat Al-Our'an nu dimimitian ku:

Dawuh Pangeran, Muhammad, maneh .... jsb. Kecap maneh teu luyu, lan- taran teu nembongkeun yen Muhammad teh insan nu dipikasih. Leuwih luyu upama salinan teh kawas di handap ieu:

Dawuh Pangeran, Muhammad, hidep .... jsb.

Pola lemes-kasar kawas di luhur, tanwande moal dianggap mangrupa bagian tina basa komunikasi nu effisien pikeun kapentingan dagang jeung industri nu saluyu jeung basa-basa nasional-burjuasi. Basa Indonesia, anu oge mangrupa basa nasional, miboga sipat nu condong lugas; logis, teu pribadi, teu imeut kana situasi atawa status nu nyarita jeung nu diajak nyarita, boh sosial boh filial, jsb. Sipat- sipat ieu teh beda pisan jeung sipat basa Sunda, anu nonjol sipat filial-kumunalna.

Naha ku lantaran kitu basa Sunda teu demokratis?

Basa nu demokratis tinangtu basa nu teu aya sipat kumawasa, ngahina jeung nindes. Boh basa feodal boh nasional teu lesot tina ayana eta dua sipat. Sipat- sipat basa Sunda nu dieceskeun di luhur, tinangtu boga kasempetan jadi atawa dijadikeun basa nu demokratis, nya eta basa nu teu ngawilah-wilah masarakat jadi luhur-handap kawas basa feoda! atawa nganggap manusa salaku massa- impersonal kawas basa nasional. Urang Sunda teu kudu leutik hate dina ngamumule basana tur nyaluyukeun sipat-sipat basana nepi ka jadi leuwih demokratis. Justru kudu gede hate, lantaran saperti nu diramalkeun ku Alvin

39 [ 33 ]Toffler, justru demokrasi abad XXI bakal mangrupa demokrasi nu sipatna leuwih deukeut ka demokrasi masarakat komunal ti batan ka masarakat massal. Jadi, soalna nyeuweu dina linguistic-engineering, dina ngararancarig pangwangunan basa jeung ngokolakeun basa (Sunda) nepi ka luyu jeung masarakat demokratis tea.

Ana kitu, atuh bakal beuki loba bae barudak ngora nu sarieuneun ku basa Sun- da, nu nganggap basa Sunda hese tur milih basa Indonesia. Apan alesan nu ngadorong ngabasajankeun basa Sunda nepi ka ngadeukeutan sipat basa In- donesia nu tanpa undak-usuk teh lantaran loba barudak nu sarieuneun ku basa Sunda.

Pikiran kawas di luhur bisa dima'lum. Sanajan kitu, upama barudak ayeuna sieun ku basa Sunda lantaran hese, lain basa Sundana nu salah. Nu salah nya eta sajarah urang, nu ngabalukarkeun ruksakna pranata-pranata nu nyangga huripna basa, di antarana pranata pendidikan basa di sakola-sakola. Upamana urang bisa nyalahkeun basa Sunda, atuh urang Inggris oge bisa nyalahkeun basana tur usul supaya tenses jeung conditional dileungitkeun bae; pon kitu deui urang Jerman nu bakal usul ngaleungitkeun kasus-kasus, urang Perancis ngaleungikeun feminin-masculin dina kecap barang jeung gawe. Tapi, apan maranehna mah teu ngayakeun usul ngabasajankeun jeung ngaleungitkeun ”kecanggihan” (refine- ment) basana. Sababna, najan ngalaman perang kawas urang (Sunda) pranata- pranata pendidikan maranehanana mah teu ruksak kawas di urang. Jadi, soalna balik deui kana linguistic-engineering, kaasup nyusun bahan jeung metoda panga- jaran basa Sunda nu seukeut dina neuteup ka hareup, jembar dina nyawang ka tukang.

Cag! ***

33 [ 34 ]DJAJA SARGANI

Lahir di Ciparay Bandung. Kungsi jadi Ketua Dekopin Bandung; Ketua Koperasi Pondok Pesantren "'Al Wafah” di Ciparay; 'Ketua Koperasi Pedagang Pasar Ciparay; jeung Ketua Yayasan 'Pendidikan Islam Tunas Baru.

Tulisanana sering dimuat dina Pikiran ' Rakyat, Bandung Pos jeung Mangle.

34 [ 35 ]REKAYASA BASA JEUNG SOSIAL,

SARUA PERLUNA

Ku: Djadja Sargani

PAMENTA majalah Mangle, supaya kuring ulubiung, jabung tumalapung ngeu- naan basa Sunda, jeung rupa-rupa masalahna ka hareup, karasa ku kuring kacida pisan beuratna. Kahiji, kuring mah lain ablina estuning awam pisan. Kaduana, basa lain widang studi panalungtikan nu geus ngabaku, Jadi, mun tea mah, karasa sambutan kuring nyimpang tina masalah anu jadi jejer sawala antara dua inohong budaya, dua sastrawan kelas unggul Ajip Rosidi jeung Saini KM, tong ieuh digeuhgeuykeun. Anggap wae dogdog pangrewong ti Si awam.

Neangan identitas, atawa jati diri Ki Sunda, jigana kacida pisan hesena. Esen- si jeung eksistensi jati diri Ki Sunda, rupana aya pentingnaku urang ditalungtik, diteuleuman, diulik deui. Nu kumaha? Lamun urang bisa nyebutkeun jati diri Ki Sunda teh kieu atawa kitu rupana, jigana bakal rada gampang urang naratas jalan, nyieun kacindekan yen “jiwa khas” (ethos) Ki Sunda teh kieu wujudna.

Tiori relativitas basa anu “dikahareupkeun ku KW von Humboldt, nyebutkeun ”basa teh pernyataan luar tina jiwa rayat”. Sanajan kabehdieunakeun, tiori Hum- boldt meunang kritikan anu santer pisan, pajarkeun teh tiori relativitas bisa disebut determinisme lingguistik, oge sosio-lingguistik,. ngadadak nyebutkeun benerna (validitas) tiori Humboldt, kitu ceuk Kunihiro Masao. Saheulaanan, tiori Hum- boldt urang jadikeun dasar analisa, atuh basa Sunda ge, estu lir ibarat cahaya jeung kalangkang, jeung ethosna Ki Sunda.

Dina ethos Ki Sunda tangtu kaasup watek perwatekan Ki Sunda.

  • Sedengkeun perwatekan teh, kapan kacida pisan hese robah atawa dirobahna.

Nya kitu deui sipatna kahirupan basa kacida pisan hese robahna.

Jadi, lamun basa Sunda , mangrupa | ”pernyataan luar” jiwa Ki Sunda meureun neuleuman jiwa Ki Sunda teh, bisa ditilik tina basana.Ari basa Sunda, anu asli nu kumaha? '

Kuring mah leuwih percaya, ku sabab ayana parobahan jiwa Ki Sunda atuh

35 [ 36 ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/36 [ 37 ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/37 [ 38 ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/38 [ 39 ]

STUDI KASUS UNDAK-USUK
BASA SUNDA

Pangrewong kana sabagian makalah
Ajip Rosidi

Ku: F. Djajasudarma Idat A

Undak-usuk basa Sunda teh ciri feodal atawa rasa sopan jeung
silih ajenan dina najeurkeun demokrasi?

SABAGIAN makalah Ajip Rosidi dina ”Seminar Kebudayaan Sunda” nyawalakeun undak-usuk jeung demokrasi dina sub-bab Basa Sunda. Ieu tulisan mangrupa studi kasus ngeunaan undak-usuk basa Sunda, minangka pangrewong pikeun masrakat basa Sunda dina barempug ngeunaan undak-usuk hususna, umumna dina ngaraksa jeung ngariksa basana.

Pasualan ngeunaan undak-usuk basa Sunda teh mangrupa pasualan anu terus-terusan disawalakeun, atawa pasualan nu "top" ceuk barudak ayeuna tea mah. Pasualan ieu teh beunang disebutkeun dimimitian ti taun 1943, mimiti medal undak-usuk citakan kahiji (Satjadibrata, 1943). Ti wangkid harita geus disebutkeun ayana dua golongan, nya eta golongan anu nyebutkeun teu kudu diayakeun undak-usuk, jeung golongan anu satuju undak-usuk ditarima dina basa Sunda ku lantaran geus jadi unsur basa Sunda, kalawan alesan yen bakat masarakat basa Sunda mah resep pisan silihadaban ku basa.

Taun 1950-an muncul deui pasualan ngeunaan undak-usuk teh, nya eta dina Kongres Basa Sunda (1952), jeung tulisan Dajat Hardjakusumah (1955). Malah, taun 1980-an pecenghul deui bae tulisan ngeunaan undak-usuk teh nya eta dina Mangle No. 722 (1980); ceramah Yuniarso Ridwan (1984); Ayatrohaedi (1982); Ajip Rosidi (1986). Yuniarso Ridwan nyebutkeun; ”Masih perlukah undak-usuk basa Sunda dalam zaman pembangunan sekarang ini?” Ayatrohaedi nyebutkeun yen undak usuk teh asalna ti.Jawa, jadi unsur basa Sunda dina abad ka-17 Masehi [ 40 ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/40 [ 41 ]Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/41 [ 42 ]kecap naon nu kudu dipilih, loyog jeung situasi nyarita.

Undak-usuk dina basa Sunda numutkeun para ahli basa dibagi sababaraha golongan, henteu ngan kasar-lemes wungkul. Lamun sacara saderhana, kasar- lemes anu dipilih, tetep kudu ditimbang-timbang hade gorengna, atawa kudu ditingali yen aya:

Abdi; Bapa; Anjing jst.

Dina ragam lisan ayeuna sok rajeun dipake basa budak (lemes budak — Hidayat Suryalaga, 1986), lamun batur nyaritana teh loba tur campur, panta-panta sosialna aya: saluhureun, sapantar, jeung sahandapeun. Dina prakna ngajak dahar teh dipokeunana kieu: ”Urang aremam yu!”

Tina conto bieu katingali yen sacara pragmatis undak-usuk teh fungsina pikeun ngedalkeun rasa sopan, jeung silih ajenan dina nanjeurkeun demokrasi (sacara pragmatis tiasa diaos conto ti Saini KM dina Mangle 1052). Urang tingali kumaha para ahli basa Sunda ngabagi undak-usuk basa:

— DK. Ardiwinata (1916, Ayatrohaedi, 1984):
(1) lemes pisan
(2) lemes biasa
(3) lemes keur sorangan
(4) sedeng
(5) songong
(6) songong paranti nyarekan

— Soeria Di Radja (1929):
(1) lemes pisan
(2) lemes
(3) sedeng
(4) kasar
(5) kasar pisan

— RI Adiwidjaja (1951):
(1) luhur
(2) lemes
(3) sedeng
(4) panengah
(5) kasar
(6) kasar pisan

— I. Buldan Djajawiguna (1978); [ 43 ]
  1. lemes
  2. sedeng
  3. panengah
  4. wajar (loma)
  5. cohag (kasar pisan)

— J. Kats & M. Soeriadiradja, 1927; Ayatrohaedi, 1982):

  1. lemes pisan
  2. lemes
  3. panengah
  4. sedeng
  5. kasar
  6. kasar pisan

— R. Satjadibrata (1943; 19546):

  1. luhur
  2. lemes
  3. panengah
  4. kasar
  5. kasar pisan

— AA. Tisnawerdaja (1975):

(A) lemes:

  1. lemes pisan
  2. lemes biasa
  3. lemes sedeng
  4. lemes panengah

(B) kasar:

  1. biasa
  2. kasar pisan

Masarakat basa Sunda ayeuna tinggal nangtukeun nu mana anu rek dipilih, atawa sacara teknis undak-usuk basa Sunda teh rek disederhanakeun, terserah kumaha gampangna bae. Lamun arek disederhanakeun bisa ditingali sacara pragmatis:

kasar keur lemes keur
manusa nu nyarita
batur nyarita
sato nu dicaritakeun

Lamun dititenan leuwih anteb mah unsur anu asalna ti luar teh lain ngan undat- usuk wungkul, unsur sejenna oge loba anu asalna ti luar. Hal sarupa kitu bisa kajadian sabab basa Sunda teh mekarna bareng jeung basa sejenna, saperti: basa Indonesia, basa Jawa atawa basa Inggris. Geus tangtu bae dina seuhseuhanana ieh silihdupak, mun teu katoel oge. Pikeun istilah teknologi upamana, atawa elmu nu can nyampak di Sunda, kapaksa ditampi sabeuleugeunjeurna, contona bae: televisi (tv), transistor, radio, satelit, jst. Pikeun satelit Palapa B-2 (lamun [ 44 ]diucapkeun dina basa Inggris bi-two) dina basa Sunda nepi ka aya guyon, naha atuh satelit bitu make dibeuli, ku lantaran aya kecap bitu (”meledak” — basa Indonesia). Basa Sunda oge nya kitu deui, mangaruhan basa sejen, contona bae: anjang sono geus jadi kosa kata basa Indonesia, tina urusan dapur, contona sangray ("menggoreng tanpa minyak”), wadah dipake dina basa Indonesia. Tina unsur kabudayaan kulon anu asup kana basa Sunda, contona bae di kantor-kantor dipake sistim ngahormat dumasar kana waktu, upamana bae: "Wilujeng enjing” (Inggris: “Good morning”, Jerman: ”Guten Morgen”, Belanda: “Goeiemorgen”, jst). Kabiasaan lamun beresin pikeun masarakat basa Sunda sok nyebut: "Hurip waras”, di Inggris: ”Bless you”. di Jerman: “Gesundheit”, di Belanda: “Gezondheid”, jst. Unsur nu kieu rek disebut ti mana asalna, da dina basa Indonesia mah kabiasaan kieu teh teu aya.

Basa Indonesia ngabogaan kecap-kecap saperti: beliau, atawa berkenan, tara dipake sagawayah. Eta kekecapan teh dipakena pikeun nembongkeun rasa sopan, atawa ngajenan, geus teu salah deui. Ieu dua kecap teh tara disawalakeun naha pangaruh undak-usuk basa Sunda atawa Jawa. Di dieu meureun anu disebutkeun ku lantaran ayana "take and give” ("sentuh bahasa”) pikeun basa-basa anu mekarna bareng.

KUMEOK MEMEH DIPACOK

Naha urang kudu salempang lamun aya golongan anu hoream diajar basa Sunda ku lantaran undak-usuk basa? Hal sarupa kieu teh ngan saukur alesan melankolis, kumeok memeh dipacok teh saenyana, hayang gampangna bae. Padahal! basa mah bisana teh ku lantaran diajar, lain diturunkeun kitu bae. Da moal bisa nyebutkeun hoream diajar basa Inggris sabab aya ”tenses”. Jadi diajar basa Sunda sabenerna gumantung kana sikep, naha aya kareueus atawa henteu lamun bisa basa Sunda (basa daerah sejenna oge sarua). Miceun, teu malire, atawa kumaha karep mah gampang, tapi sanggeus dipiceun aya gantina? Rek dieusi naon ieu lolongkrang teh? Carana ayeuna mah da geus jadi banda masarakat Sunda, anggur kudu ditalungtik dicukcruk supaya aya teknik, jeung metode ngajarkeunana, supaya gampil dicapek jeung ni'mat didaharna. Memang, lamun ku urang haben diemutan, kapan diajar basa Indonesia ge kacida hesena teh ari kudu alus jeung merenah mah. Komo deui lamun ngulik basa jeung elmuna, wah, matak teu anggeus-anggeus pasualan teh. Disebut kitu, ku lantaran loba keneh unsur-unsur (dina basa Sunda) anu tacan kacukcruk ku elmu basa, sabab elmu basa teh mekarna ngabelesat, di urang masih keneh riweuh ku pasualan ayakeun atawa tong dipalire. Padahal! ari nu bangga mah ngaraksa jeung ngariksa tea.

Urang teu kudu salempang ku jumlah nu make basa Sunda, da buktina geuning nambahan, bandingkeun bae sensus anu make basa Sunda, saperti di handap ieu:

taun 1930, aya 8,5 juta jiwa (Uhlenbeck, 1964: 9), taun 1977, dikira-kira aya 19 juta jiwa (Ayatrohaedi, 1978 atawa 1985), taun 1980, aya 22.110.000, atawa [ 45 ]15% ti sakumna urang Indonesia, nya eta 146.775.000 jiwa (Biro Pusat Statistik, seri S, No. 2, 1983, anu dicatet oge ku Kongres Bahasa Indonesia IV, 1985: 19).

Basa gelarna ka dunya sarua jeung manusa, Hukum alam oge milu ilubiung nangtukeun, lahir, mekar, jeung sirna. Geura titenan! Untung teu terang saha "penutur asli” basa Sangsakerta, iraha ieu basa teh gubragna ka dunya, jeung saha anu ngelehkeunana nepi ka Sangsakerta palastra? Atuh ayeuna mah kari percaya kana elmuna bae, yen Sangsakerta teh ngabogaan aturan-aturan anu geus matok, ieu kaasup basa sampurna. Nya kitu deui nasib kecap-kecap anu aya dina hiji basa, aya nu lahir ku lantaran perang, contona bae; Malvinas (di basa Indonesia jadi singkatan tina "malu-malu tapi ganas”; dina basa Sunda jadi ngaran kadaharan), atawa negosiasi (dina basa Indonesia). Ku lantaran pangaruhna ejahan, muncul wangun-wangun saperti: "punk lienk tina pangling tonk he tooth tina 'tong hitut' atawa tonk he love tina "tong hilap'. Hal-hal anu sarupa kieu kedah dikumahakeun? Rek disebut ngaruksak ekologi basa? atawa tanda yen ayana gengsi sosial ku lantaran ”sentuh bahasa”, nuduhkeun yen nu make ieu basa teh geus dialajar basa deungeun, atawa paling henteu geus ngambeu, ngan salah kokocoran (F. Djajasudarma, 1983: ”Ekologi Bahasa” dina Seminar Akademik Mahasiswa Fak. Sastra Unpad).

Urang peryogi sawala dina danget ieu pisan pikeun ngemutan kumaha carana supaya barudak aya sumanget, daria, jeung reueus.dina dialajar basa Sunda. Atawa supaya maranehanana bisa make basa Sunda nu alus tur hade, merenah kekecapanana jeung jeung pok-pokanana. Lamun geus bisa make basa Sunda anu hade tur merenah, geus tangtu dina make basa Indonesiana oge bakal hade, sabab terang wates-watesna, atawa palebah-palebahna mana basa Sunda, mana basa Indonesia, Ti ayeuna kedah parantos diemutan nyusun tata bahasa Sunda ”baku”, ulah cekap ku nu parantos aya (kayaning: Ardiwinata, J. Kats & M Soeriadiradja, Momon & Buldan, Djajasudarma & Idat A, jst). Buku-buku anu kasebut di luhur tiasa dianggo ngawahan, bahan sawalakeuneun dina nyusun tatabasa Sunda "baku”. Urang ulah rek sugema ku nu geus aya dina palebah dieu mah, sabab elmu basa teh mekar terus, nyaruaan teknologi, ulah rek tinggaleun jaman. Disebutkeun perelu disusun tatabasa ”baku” basa Sunda, sabab basa Sunda masih keneh komunikatif, sakurang-kurangna pikeun 22.110.000 jiwa urang Indonesia. *** [ 46 ]BENI SETIA

Lahir 1 Januari 1954 di Soreang. Nulis puisi jeung Prosa dina basa Indonesia jeung basa Sunda. Diumumkeun dina Mangle, Kania, Sipatahunan, Kompas jeung Horison. Nu jadi pangjurung kana ngarang, cenah pikeun ngurangan tekenan batin. Puisi Sundana di antarana kungsi dieusikeun dina “Antologi Puisi Sunda Mutahir”' (1980).

* * * [ 47 ]

BASA SUNDA DINA MAJALAH SUNDA

Ku: Beni Setia

MACA deui makalah Ajip Rosidi di Seminar Kebudayaan Sunda opat bulan ka tukang, Pembinaan dan Pengembangan Kebudayaan Daerah (Sunda) — nu versi tarjamahan Sundana dimuat nyambung dina Mangle -—, ngadadak jadi inget kana tulisan Paul Bohannan, anu salah sahiji indikasi rumusanana nunjukkeun:

".... Kini wajah dunia mereka sudah menjadi jelas. Mereka akan — bahkan sudah — hidup dengan satu kebudayaan yang bertingkat dua. Terdapat suatu dunia berukuran besar dengan kebudayaan bersama. Ia lebih bersipat ekonomis dan politis, yang diatur melalui dollar dan pemungutan suara, olehbarang-barang konsumsi dan konvensi-konvensi politik nasional yang disiarkan melalui televisi. Pada waktu yang bersamaan, terdapat suatu dunia berukuran kecil, terdiri dari rumah tangga dan community, yang diatur oleh rasa simpati dan percaya-mempercayai dalam tata-hubungan orang dengan orang ...."!)

Dina konteks Indonesia, kanyataanana urang hirup dina situasi kebudayaan jeung basa persatuan Indonesia bari jeung urang tetep boga hak ngahirupkeun jeung dihirupan ku kabudayaan jeung basa daerah (Sunda). Buktina nya pasal 32 jeung 36 UUD 1945 jeung penjelasan — ngeunaan hak hirup kabudayaan jeung basa daerah. Tapi, anu kudu leuwih diperhatikeun, hakekat pasal-pasal anu teu deui dilengkepan ku UU husus sual kabudayaan jeung basa — leuwih hususna nunjuk kana kabudayaan jeung basa daerahna — mere siloka yen pengaturan masalah kabudayaan jeung basa cukup sakitu jeung cukup ku kitu. Hal ieu ngandung harti, sacara hipotetis, pangaturan masalah kabudayaan jeung basa dina mangsa ngarumuskeun UUD 1945 pinuh ku karengkengan pulitik kadaerahan. Alhasil mangrupa hasi! diplomasi pulitik, hasil kompromi pulitik nu diatur summir lakar nyugemakeun sarerea. Dikorbankeunana kabudayaan jeung [ 48 ]basa daerah ngandung harti aya nu leuwih poko jeung potensial, nya eta kabudayaan jeung basa nasional, kabudayaan jeung basa nu teu ngawiji-wiji.

Ditingali tina jihat eta, lahirna tur wujud kanyataanana Rumusan GBHN Tap MPR Nomor 11/MPR/1983 mere bukti nu leuwih eces. Jadi kaliru lamun Ajip boga sangkaan yen eta rumusan papalingpang jeung pasal 32 sarta pasal 36 UUD 1945. Komo lamun urang leuwih wani nyekel hipotetis historis padungdengan ngawangun UUD 1945 mah. Alhasil, nu boga wewenang, kurang leuwih dalapanwelas taun ti harita, geus teu deui nganggap perelu ngamasalahkeun hakekat jeung eksistensi kabudayaan jeung basa daerah. Samalah tepi kana angkeuhan yen kabudayaan jeung basa daerah ngan saukur aspek nu ngajembarkeun kabudayaan jeung basa Indonesia — nu boa kaelehkeun ku aspek asing. Leuwih ti kitu, boa geus dipastikeun pisan yen kabudayaan jeung basa daerah — dina sagala widang — geus eleh pamor, kasedot tur kasedekkeun ku kabudayaan jeung basa Indonesia. Nepi ka subetnis Indonesia pareumeun obor, sarta ngawujud hirup kumbuh dina struktur sosial siga nu disinyalir ku Paul Bohannan tadi. Kabudayaan jeung basa daerah ngan saukur identitas imah jeung antara somah.

* *

Keur meujeuhna rame atawa geus ngulapes sakaratna kabudayaan 2) daerah ditelasan tur diredukasi ku kabudayaan Indonesia, tapi ari ilang pisan mah jigana acan — jadi ngan saukur rek di Museum Nasional, atawa rohangan husus di Museum Regional lokal. Sakali deui, bisa jadi kakara ngahanju, nepi ka rame gogorowokan jeung paciweuh, nyiar piubareun. Wujudna nya sarupaning 'penelitian dan pengkajian' siga Sundanologi, Jawanologi, jeung saterusna. Upaya nu leuwih nyoko kana nalungtik hasil kabudayaan jeung manifestasi kabudayaan nu geus ngawujud jeung nyampak. Hal nu memang mungkin lamun urang niténan kawijaksanaan pangwangunan kabudayaan Indonesia, nu leuwih ngiblat tur nurutan pola jeung cara atikan 3) Barat, kajeun masih meungpeun carang nyebut yen eta teh — ku modifikasi — has Indonesia. Alhasil upaya 'penelitian dan pengkajian' teh leuwih ngajinekkeun mangsa ka tukang-tukang ti batan ngalelempeng mangsa nu geus kaliwat dina titik ayeuna pikeun mangsa datang nu leuwih ngajigaan mangsa kaliwat. Itung-itung cocooan, sukur-sukur lamun ditahayulkeun jadi jimat.

Dina pola strategi kabudayaan siga kitu, lamun digambarkeun, kabudayaan-kabudayaan daerah rantuy kana kabudayaan Indonesia, bari kabudayaan Indonesia teh ngagantung atawa ngakar kana kabudayaan Barat, malah satekah polah hayang nyaruaan atawa ngajajarkeun diri dina ugeran kabudayaan Barat. Alhasil dina gerak dinamika kabudayaan Indonesia — utamana dina widang pulitik, ekonomi jeung elmu pangaweruh — nahap-nahapkeun maneh dina kabudayaan Barat, kabudayaan daerah karurud atawa tinggaleun tapak tur teu boga piliheun, tincakeun, salian ti ngadudud marengan kabudayaan Indonesia nahap-nahapkeun maneh kana kabudayaan Barat. Kabudayaan daerah nu ngaharepkeun pangayoman teh maiah leungiteun pangayoman. Atawa teu dibere [ 49 ]pangayoman — alesanana stabilitas kaamanan sarta nyingkahan paham separatis provinsialisme —, kajeun dibere hak pikeun mertahankeun jeung nembongkeun identitas kabudayaanana. Nyatana wujud identitasna teh ngan saukur dina tahapan minimal. Minimal lamun dikaitkeun kana 7 (tujuh) unsur universal kabudayaanana Koentjaraningrat.4) Nu nyatana, unsur religi mustahil boga identitas mandiri, unsur pulitik jeung ekonomi mustahil! boga identitas, unsur teknologi jeung elmu pangaweruh — utamana nu mutahir — mustahil boga identitas. Jadi ngan unsur basa jeung kasenian nu masih bisa dibere warna kadaerahan teh. Ku sabab kitu, mustahil jeung pamohalan ngayakeun ”sosial- engineering”, jadi ngan saukur bisa ngayakeun ”language-engineering” saperti nu ku Ajip Rosidi disinggung-singgung.

Teu deui bisa ngaharepkeun ayana kabudayaan Sunda nu mandiri, nu aya atawa nu bisa teh ngan saukur ngahirupkeun kasenian jeung basa Sunda. Identitas maksimal nu hargana minimal di tengah-tengah kancah kabudayaan Indonesia nu ngaharib-harib Barat.

* *

Kabudayaan daerah, kabudayaan Sunda, nyatana ngan identitas maksimal nu wujudna saukur minimalisasi unsur universal kabudayaan, ngawujud ku ciciren papakean, tata cara jeung adat-adat ceremonial has Sunda, sarta basa tur kasenian Sunda, papakean, tata cara jeung adat-adat mah jigana ngan saukur kostim jeung hiasan dina raramean antara somah nu sipatna sawaktu-waktu sarta kesanna artifisial. Jadi teu dominan jeung determinan nembongkeun kasundaan, komo lamun Si Sundana teh teu keur aya dina gempungan, keur aya dina tepung individu jeung individu. Anu potensial nya basa jeung kesenian. Di bagian ieu dicoba leuwih netelakeun kamungkinan identitas atawa ngaidentitasan kasundaan ku unsur basa jeung kasenian. Atawa ngan saukurbasa, sabab kasenian leuwih diwatesanan ku aspek basa atawa ngan ngamasalahkeun kamungkinan kasenian nu dirojong ku kakuatan basa. Konsekuensina, kasenian nu lian dianggap geus mapan, geus teu kudu disampurnakeun deui bari ngan dikembangkeun dina unak-anik variasi dekorasina. Contona, tari nu ngan disampurnakeun detail gerak kuriwelna ramo. Oge teu rek dimasalahkeun kasenian nu ngan saukur ngamangpaatkeun basasabagenungalengkepan bari jeung kakurung ku konteks kajadianana. Contona, sandiwara dina lalakon babad jeung karajaan. Oge wayang. Ku sabab kitu, anu rek dimasalahkeun teh kasenian atawa sajenis kagiatan manusa lianna nu siga kasenian anu ngamungkinkeun fungsi basa minangka alat mastikeun kamungkinan dirina. Utamana lantaran polemik nu siga ngamasalahkeun kabudayaan teh holna kana masalah basa.

Basa, mangrupā jambatan ti hiji generasi ka generasi lianna, malah bisa jadi jambatan sampurna nu ngantengkeun hubungan tatali batin génerasi nu kungsi aya jeung nu aya keneh tur nu bakal aya. Basa, mangrupa alat pikeun ngawetkeun hasil budi daya manusa, oge alat pikeun ngaabadikeun manusa.5) Sacara leuwih husus, basa mangrupa wahana pikeun ngumbar panglamunan kreatip, pamikiran. Oge mangrupa wahana pikeun nandean panglamunan jeung pamikiran manusa [ 50 ]dina wujud (wacana) kasusastraan jeung informasi tehnis atawa pangaweruh budi daya. Dina segi aktipna, basa nyusup kana wujud unsur kabudayaan nu lian. Mangaruhan dina harti ngadepinisikeun, nerangkeun, jeung ngembangkeun kamungkinan dina nalar jeung padu renyom widang pulitik, ekonomi, teknik, elmu pangaweruh, sistim religi, hirup kumbuh, jeung kasenian. Tapi, lantaran unsur-unsur kabudayaan lian kasenian geus didominasi ku hegemoni basa nasional malah jeung basa internasional, nya kamungkinan basa teh sigana ngan dina widang kasenian bari ulah dipopohokeun asylum .kabebasan dina proses nguteuk. Alhasil, basa Sunda geus teu miboga lapangan ambahan kagiatan aktip basa bari jeung masih miboga kabebasan dina proses kreatif pamikiran. Hanjakal kamungkinan ieu kurang dimangpaatkeun jeung poho teu dironjatkeun.

Kudu diusahakeun widang jeung niat ngamaenkeun fungsi aktif basa Sunda, nya hal ieu ahirna nunjuk kana kudu aya jeung hadir jeung nambah tur nambahanana manusa Sunda nu aktip jeung kreatip. Tanggung jawab ngaidentitasan kabudayaan Sunda, make alat basa Sunda, nungtut lahirna manusa Sunda unggul. Manusa. Sunda unggul jigana lain produk kolektip tapi produk individual. Obyektipna ku wangunan rumah tangga, subyektipna ku dirina pribadi dina prosesautodidak atawa kasadaran pribadi make sarana atikan formal. Konsekwensi tina eta tungtutan geus waktuna muka perpustakaan umum, nerbitkeun buku murah, jeung ngadidik resep ngulik jeung maca. Tapi kawijakan ieu teu kudu dipisahkeun atawa misahkeun diri tina kawijakan nasional jeung sirkulasi informasi internasional. Geus lain waktuna eeksklusipan jeung misahkeun diri, kajaba lamun hayang tinggaleun informasi. Enya! Tapi lamun cita-cita ngaidentitasan kasundaan teh tilem dina kancah kosmopolitan kitu, kumaha atuh wujudna?

* *

Basa, jadi aktip ku jalma nu uteukna aktip. Basa, jadi pasip ku jalma nu uteukna pasip. Wujud kapasipan basa bisa oge aya dina tahap dinamis. Wujudna, basa dipake ngarumuskeun kanyataan, fakta, jeung gejala bari jeung teu kritis nganalisis, bari jeung teu ngahubung-hubungkeun dina wengku kausalitis, bari jeung teu nyoba-nyoba mapantes dina proses coba-coba ngarah kapanggih fungsi guna jeung kamungkinan prospektip masa bakalna. Conto wujudna, kreativitas basa dina kirata jeung wawangsalan. Wujud pasip inpormatip jigana aya dina kanyataan basa ngan saukur alat pikeun nerangkeun jeung ngabejerbeaskeun masalah-masalah modern, masalah-masalah nu mutahir, masalah-masalah nu teu aya dina konteks budaya basana tur aya di konteks budaya deungeun. Fungsi pasip inpormatip basa Sunda jigana geus kaliwat. Mangsa inpormatipna kungsi kaalaman sabage zaman kaemasan nu mungkin jadi kamungkinan intelektualisasi ala Barat 6) di zaman kolonial, di mana Walanda narjamahkeun buku-buku Hukum, pangaweruh kasehatan jeung pertanian tina basa asing kana basa Sunda. Tujuanana pikeun ngabudayakeun urang Sunda ku basa Sunda ku institusi Balai Pustaka nu oge boga divisi basa Jawa jeung saterusna. Ayeuna fungsi pasip inpormatip geus dirampas ku basa Indonesia. Alesanana, rereana urang Sunda geus ngarti kana basa Indonesia, sarta teu epektip alias ngahambur-hambur waktu [ 51 ]jeung beaya lamun narjamahkeun in pormasi tina basa Indonesia kana basa Sunda. leu salah sahiji panghalang media basa Sunda, sarta ieu oge nu maehan kamungkinan komunikasi jeung ngabentuk komune basa Sunda. Inpormasi jadi teu epektip/epesien dina jeung ku basa Sunda.

Wujud pasip basa nu lianna ngawujud masalah struktur sosial nu make basa. Kasarna, nunjuk kana hakekat undak-usuk basa, nu netelakeun saha nu ngomong jeung ka saha ngomong. Aya klasifikasi, aya tahapan kasta feodalisme. Di dieu, sinyalemen Ajip Rosidi sarta G. Moedjianto kacida benerna, basa netelakeun yen fungsi pasip struktural basa gunana pikeun nembongkeun kaagungbintaran raja ti punggawa jeung rayat murba. Jeung bisa jadi fungsi pasip struktural teh ditandeskeun pikeun mageuhan gengsi sosial kaum panguasa nu kakawasaan pulitik ekonomina geus dijabel ku Walanda. Status quo pikeun nyamunikeun hegemoni kakawasaan nu geus pindah ka deungeun. Leuwih jauhna, budaya nu beuki lemes, basa nu beuki ruwet teh mangrupa manifestasi leungitna agrisivitas lantaran dialasan manifestasi sejenna, lian ti beuki estetis, nya beuki mistis, nyoba-nyoba ngaidentitaskeun diri jiga jeung deukeut ka anu gaib.7) Hanjakal kamerdikaan ngancurleburkeun fungsi pasip struktural basa. Demokrasi rigancurkeun struktur sosial jeung klasifikasi kasta. Jadi, mun tea mah masih aya nu ngeukeuhan fungsi pasip struktural, eta bisa jadi ciri syndroma feodal. Rasa sieun kaelehkeun jeung kabeubeutkeun lantaran geus biasa hirup dikaulaan jeung nampa upeti. Leuwih jauhna, da teu mustahil aya hubungan antara (mageuhan) fungsi pasip struktur reujeung mental tropik apatis jeung ngedul? Leuwih jauhna, aplikasina, inisiatif jeung pragmatisme dimungkinkeun ku basa Indonesia nu demokratis, ku sabab kitu basa Sunda teu ngarobah kualitas manusa Sunda sarta teu dirobah ku manusa Sunda (nu kualitasna rada ripuh.) Nya teu aneh mun paturegeng marebutkeun paisan kosong. Ngarasa babudaya bari eleh ku basa Sunda Cina sengke nu dagang kolontong, nu posisi sosio ekonomina jadi kuat.

Fungsi pasip basa Sunda geus kaered ku basa Indonesia atawa ku basa asing da basa Indonesia can bener-bener aktip episien epektip dina nalar, inpormasi, ku sabab kitu ngan mungkin ngaepektipkeun basa Sunda dina fungsi aktipna. Ngan fungsi aktip ieu teh diwatesan ku kanyataan saukur dina widang kasenian jeung pamikiran murni nu teu aya patula-patalina jeung aplikasi dina widang unsur kebudayaan lian ti kasenian. Ngan jigana kudu leuwih ditetelakeun naon syarat-syaratna ngarah kamungkinan ngahirupkeun fungsi aktip basa Sunda bisa operasional. Nu pangpentingna nya unsur manusana. Manusa Sunda anu aktip jeung kreatip, anu ngarasa ditangtang kudu ngamasalahkeun jeung neangan jawaban pribadi mandiri keur masalah-masalah nu aya di sabudeureun dirina, wujud dialektika antara kasadaran individu jeung realita, nya ngagalura dina uteuk, dina wahana basa. Ti mimiti ngarumuskeun masalah, tuluy neangan alternatip jalan ka luarna. Ti mimiti neangan alat jeung metoda pikeun nalungtik jeung saterusna. Kabeh lumangsung dina basa, dina basa subyektip diri pribadi si nu keur nguteuk. Ku sabab kitų aya dua konsekuensi. Kahiji, dina basa naon eta [ 52 ]manusa biasa ngarumuskeun masalahna, ku sabab kitu proses nalarna pasti diwengku ku basa nu tiasa diagungkeunana. Kadua, gagasan jeung informasi nu rek dikomunikasikeun teh kapaksa diwujudkeun dina basa nu bisa ngawadahan jeung ngawetkeun hasil pamikiran jeung panalungtikanana jeung anu bisa ngabejerbeaskeun ka anu rek dibere informasi.8) Di titik ieu, jigana urang geus bisa mastikeun syarat kadua pikeun aya lumangsungna kagiatan fungsi aktip basa Sunda, nya eta kabiasaan nalar jeung nalungtik jeung mikir. Masalahna, na anak-anak urang Sunda dididik kitu? Atawa, malah anak-anak urang Indonesia basa Sunda modern oge teu boga kabiasaan kieu, can dibiasakeun hirup dina tradisi kieu. Hanjakal. Tapi boa enya alesanana fasilitas jeung kasempetan.

Syarat katilu, nya ayana basa tehnis pamikiran. Ieu nunjuk kana kanyataan basa Sunda pangpangna basa indonesia can jadi basa pikeun tukeur pikiran rumit, 'njelimet jeung murni reflektif-filosofis ngawang-ngawang. Atawa, tarapna ngan kakara tepi kana pikeun wahana jeung wacana pamikiran teu murni rasional tapi ngan intuitif emosional di widang kasenian, kasusastraan. Di dieu basa Sunda bisa jadi mandeg deui. Ngan saukur basa rasa, basa tukeur pangalaman nu teu bisa dibuktikeun jeung dipadungdengkeun salah benerna, da ngan saukur basa epektip sastra. Basa nu ngarumuskeun bebeneran nu teu bisa diadurenyomkeun lantaran ngan saukur kudu diteuleuman ku rasa, ku empati. Hartina, hiji ngan hadir kitu, teu bisa dikembangkeun deui, sarta ngan bisa diturutan dina mannerisme plagiat nu beuki miskin nuansa emosi. Leuwih cilakana, sastra ngan saukur nepi kana tarap ngadongeng tina proses kreatip refleksi filosofis jeung tarap nyatet (deskriptif) realita. Teu aya proses ngembangkeun kanyataan disusubur ku fantasi jeung sejen-sejen inpormasi, sarta ngawujud pangalaman batin nu unik, orisinil jeung lian ti nu ilahar nepi ka kudu dimanifestasikeun dina basa Sunda nu diolah bebeakan lantaran hayang ngawujudkeun anu jadi obsesi pikir. Cacad atawa bahan pimandegeun basa Sunda di widang fungsi kreatip teh nya eta anggapan basa teh paktor dominan jeung determinan nu nembongkeun kasta struktural nu makena, padahal dina proses kreatif mah basa teh ngan saukur alat pikeun ngarumus, mikir jeung ngawujudkeun hasil pikiran. Enya ku sabab basa ngan ukur alat, nya basa kudu tunduk kana pangabutuh ngedalkeun pamikiran dina konteks rohang waktu nu cocog. Ieu, subyek pamikiran jalma nu rek ngedalkeun pikiran jeung obyek konteks mangsa ayeuna dikedalkeun jeung ayana nu lian nu diajak adu renyom dipopohokeun, nepi ka basa Sunda diabadikeun dina jaman tas kapangaruhan ku feodalisme Mataram: Cilaka! Nya buntu tea diskusi teh, lantaran energi kreatif basa Sunda museur kana neangan sasauran kecap anyar pikeun ngabedakeun kasta struktur sosial.9)

Tapi, bisa jadi basa tehnis pamikiran teh teu bener-bener aya. Nu mungkin mah jigana ngan make basa Sunda dina media husus nepi ka aya idiom umum nu mibanda harti husus. Mun kitu nu dipikabutuh teh nya majalah husus pamikiran murni basa Sunda. Majalah filsafat Sunda, majalah nu nalungtik kakayaan budaya Sunda dina aspek pamikiran jeung kreativitas murni nu ngalantarankeun kasundaan nya nepi ka ayeuna di diri urang Sunda, sarta maluruh siga kumaha rupa [ 53 ]inti kreatip kapribadian Sunda eta ngarah tetep kapertahankeun mangsa ngayakeun reaksi dina campuh informasi tur infiltrasi budaya asing, jeung saterusna. Majalah 10) nu husus nalungtik jiwa kreatip Sunda dina taraf nu paling dasar jeung radikal, nya prosesna ku basa Sunda jeung wujudna dimanifestasikeun dina basa Sunda. Atawa, rubrik husus nu neuleuman hal ieu. Atawa rubrik husus anu mere kasempetan pikeun urang Sunda ngomunikasikeun pamikiran-pamikiran reflektip-filosofis murnina. Leuwih praktisna, polemik jeung tukeur pikiran bebeakan dina Basa Sunda pikeun ngalatih jeung ngabiasakeun urang Sunda kana fungsi aktif basa Sunda. Tapi, sakali deui, pikeun kitu dipikabutuh kualitasna manusa Sunda nu unggul. Sakali deui, jaimana nu mikir jeung ngedalkeun pikiranana jeung pamikiranana tina proses jeung karya basa Sunda, leuwih ka dituna nu biasa dina tradisi pamikiran has Sunda sarta lain basana.

Basa Sunda jadina ngan hirup dina majalah Sunda. Teu nanaon asal manusa Sundana tetep jembar jeung motekar. Sarta dina tatagaul hirup kumbuh kosmopolitan identitas kasundaan nembongan dina tradisi nalarna. Masalahna, kumaha jeung ti mana ngamimitianana? Cag.

1) Paul Bohannan, Kebudayaan Bertingkat Dua, Titian, Nomor 9, k 79 kolom 1. Oge bandingkeun jeung rasa mencilna subetnis Indo nu aya di kabudayaan Walanda. Atawa ambigu anu disinyalir ku Subagio Sastrowardoyo."... Di dalam upaya hendak modern, artinya berjalan setingkat dan setapak dengan zaman yang sedang berkembang. kita senantiasa harus berbudaya Indo, tanpa mempunyai darah Indo sendiri, seperti waktu kita dirikan kebudayaan Indonesia-Hindu (Subagio Sastrowardoyo, Orientasi Budaya Chairil Anwar, dina Sosok Pribadi dalam Sajak, Jakarta, Pustaka Jaya. 1980, k. 53).

2) Di dieu ngan disebut kabudayaan lantaran basa ngan saukur unsur kabudayaan, jalanna tingali catetan 4.

3) Atikan leuwih dihartikeun sosialisasi generasi ngora ku unsur-unsur kabudayaan milik nu ngapimilikkajeun ngandung harti manusana dipimilik kabudayaan oge - kabudayaan eta. Baheula nunjuk ka Sunda ku kabudayaan Sunda, ayeuna urang Sunda ku kabudayaan teu resmi, kabiasaan. Sunda jeung kabudayaan resmi Indonesia modern.

4) Koentjaraningrat, Kebudayaan. Mentalitet dan Pembangunan, Jakarta. Gramedia 1974, k. 12. Lengkepna: 1. Sistim religi dan upacara keagamaan, 2. Sistim dan organisasi kemasyarakatan. 3. Sistim pengetahuan, 4. Bahasa, 5. Kesenian, 6. Sistim mata pencaharian, dan 7. Sistim teknologi dan peralatan.

5) John C. Concon Jr.. Bahasa dan Kelestarian dina Maruli Panggabean, ed., Bahasa, pengaruh dan Peranannya, Jakarta, Gramedia untuk Yayasan Obor Indonesia. 1981, k. 4.

6) Lamun tea mah basa Sunda teu kalindih ku basa Malayu, ku basa Indonesia, bisa jadi basa Sunda ganti tulang jeung ganti daging sampe ka bisa dijadikeun basa pikeun komu- nikasi hal-hal jeung masalah modern jiga basa Malayu atawa basa Indonesia kajeun tarapna tacan tepi kana siga basa Inggris atawa Perancis oge.

7) Legitimasi kakawasaan ku Babad. Contona Babad Tanah Jawi, atawa disertasi Hoesein Djajadiningrat nu naranjangan hakekat opini jeung silsilah dina panulisan Sajarah Jawa (Hoesein Djajadiningrat, Tinjauan Kritis tentang Sejarah Banten: Sumbangan bagi Pengenalan Sipat-sipat Penulisan Sejarah Jawa, Jakarta, Djambatan. 1983). Bandingkeun jeung kanyataan Mangkunagoro IV nulis, Serat Wedhatama, ajaran kabatinan pikeun miboga budi/watek/jiwa nu luhung/hade keur tiap insan.

8) Aya kasajajaran jeung gagasan chifferna Karl Jaspers, nya eta gagasan nu leuwih ruwet/metafisika kudu ditarjamahkeun kana tanda (chiffer) atawa basa nu leuwih saderhana ngarah hal [ 54 ]eta teh bisa dikomunikasikeun jeung nu diajak komunikasina ngarti kajeun nu diterangkeun ku jeung dina chiffer lain bebeneran nu sagemblengna, lain nu sajati.

9) Sigana kikukna basa Sunda di alam modern kiwari aya dina kanyataan bahadapna jeung rumusan atawa definisi tehnis hal-hal nu sipatna teu bisa disinonimkeun sarta dipisahkeun dina kasta struktural fungsi pasip basa. Contona, kamera, mobil, televisi, dasi, jeung saterusna. Ku sabab teu manggihan sinonim kasta struktural nya kapaksa basa atawa tata cara demokrasi dipake. Ahirna status sosial teu mibanda kasta struktural basa. Cilaka oge.

10) Disebutkeunana majalah padahal nu dimaksud teh sagala rupa media massa tulisan, jadi kaabus koran. Di dieu ngahaja teu dipisahkeun kamungkinan majalah/koran serieus hiji bidang pangaweruh atawa majalah/koran biasa nu mibanda jeung nyampur-adukkeun rubrik populer jeung serieus. [ 55 ]

KALEMESAN BUDI HENTEU DIUKUR KU UNDAK-USUK BASA

Ku: Ajip Rosidi

Dina "Koropak" MANGLE No. 1054, dimuat serat HIB Djajawigoena nu ngomentaran jawaban kuring ka anjeunna anu dimuat dina MANGLE No. 1051. Sanajan sim kuring geus jangji ka Redaksi MANGLE rek ngajawab sakabeh reaksi kana makalah kuring dina Seminar Kebudayaan Sunda nu diayakeun ku Proyek Sundanologi bulan Maret nk. — engke ari sakabeh reaksi tea geus dimuat dina MANGLE, tapi kuring nganggap pereki ngaheulakeun ngajawab surat Sdrk. HIB Djajawigoena tea, sabab henteu kawangwang kumaha merenahkeunana engke dina jawaban kuring.

Aya sawatara catetan anu karasa perelu ditepikeun sabada maca eta surat teh, nya eta:

1. Ngeunaan saha nu salah lamun barudak Sunda ayeuna arembungeun make basa Sunda ku lantaran sieuneun disalahkeun ngalarapkeunana undak-usuk basa, keun engke urang pedar sakalian dina ngajawab ”polemik”. Kitu deui kumaha hadena nyanghareupan eta kaayaan baris dipedar, insya Allah, dina waktuna.

2. Ngeunaan pamendak Sdrk. HIB Djajawigoena yen sarjana urang Sunda anu nyangking gelar naon bae oge tacan ”hatam.” ari basa Sundana henteu “sakumaha mistina nurutkeun palanggeran basa Sunda lulugu”, keun bae da eta mah sikepna pribadi anu subyektif pisan, tur moal aya matakna kana gelar anu dicangking ku urang Sunda nu mana bae oge sok sanajan nyaritana basa Sunda henteu nyumponan sarat nu diajukeun ku Sdrk. HIB Djajawigoena. Panghormat masarakat kana kasarjanaanana, kolom gajihna, waragad representasina jeung sabangsana insya Allah angger, moal kacoceng ku ayana anggapan subyektif Sdrk. HIB Djajawigoena, sanaos anjeunna ngaraos jadi ahli basa oge!

Cek sim kuring mah sikep ahli basa Sunda cara anu ditembongkeun ku Sdrk. HIB Djajawigoena moél aya tulungna pikeun memeres kaayaan pangajaran jeung digunakeunana basa Sunda kiwari ku urang Sunda. Jero-jerona mah sikep kitu teh asup kana salah sahiji,.lamun lain adigang, tangtu adigung, atawa adi nu se[ 56 ]jenna deui. Ngarasa yen sikep pribadina baris mangaruhan dunya, sahenteu-henteuna dunya basa Sunda anu dianggapna ambahan milikna pribadi.

3. Ngeunaan ”kalemesan budi”, atuh puguh bae kuring ngaku yen urang Sunda miboga kalemesan budi mah! Ngan bedana jeung Sdrk. HIB Djajawigoena, kuring mah henteu nganggap yen kalemesan budi teh kudu dikedalkeun dina wangunan undak-usuk bae. Rea basa sejen di dunya anu ngagambarkeun kalemesan jeung kaluhungan budi anu makena, bari jeung henteu wawuheun-wawuheun acan kana naon anu disebut undak-usuk basa! Ulah nganggap urang Baduy henteu miboga kalemesan budi atawa budina henteu lemes atawa henteu luhung dumeh ana nyarita maranehanana henteu ngagunakeun undak-usuk basa!

4. Ngeunaan pamendak Sdrk. HIB Djajawigoena anu nganggap henteu merenah palebah sim kuring anu dianggap ku anjeunna ”elmuwan” keuna ku owah gingsir, perelu ditepikeun yen salah sahiji sipat elmu teh nya eta henteu tukuh Ciburuy. Elmu mah salilana keuna ku owah gingsir, henteu mutlak. Lamun aya pamanggih anyar anu leuwih bener anu bisa dibuktikeun nyalahkeun pamanggih samemehna, nya eta sacara ilmiah, make metode anu ilmiah deuih, pamanggih anyar teh baris ngaganti pamanggih heubeul. Aya jamanna para elmuwan nganggap bumi teh datar, tapi sabada dibuktikeun sacara ilmiah yen buleud. sakabeh elmuwan narima eta kanyataan, malah urang awam oge narima kana eta bebeneran sanajan bisa jadi ngan para astronot anu kungsi nangenan inya yen bumi buleud mah.

Para elmuwan anu enyaan mah tara keukeuh peuteukeuh kana pamadegan, komo deui lamun geus kabuktian yen pamadeganana tea kaliru, atawa cek kayakinanana sabada maluruh sacara ilmiah, kaliru mah.

Elmu teh pamanggih manusa, mahluk anu kakeunaan ku owah gingsir, dumasar kana akal. Ari akal tea ku Allah dipaparin ”nyaho” na oge henteu mutlak. Jaman rasionalisme, anu ngagegedekeun rasio, akal, geus kaliwat. Para elmuwan badag kiwari saladareun kana wates-wates relatif anu baris bisa kahontal ku elmu. Komo deui dina masalah elmu sosial atawa humaniora!

5. Ngeunaan ”aksara Sunda”, timbul pananya: Nu mana? Naha hana-caraka-data-sawala tea kitu? Manawi ayeuna mah anjeunna parantos uninga yen eta mah lain aksara Sunda, tapi aksara Jawa anu diinjeum ku urang Sunda kakara dina ahir abad ka-18, atawa awal abad ka-19. Kitu tah cek bukti naskah-naskah anu nepi ka ayeuna geus kapanggih ku para sarjana. Naskah-naskah Sunda beh ditu make aksara Sunda Kuna (nu saenyana mah kudu disebut aksara Sunda). tapi kiwari anu bisaeun maca jeung nulis make aksara Sunda nu kitu mah ngan sawatara ahli sajarah Sunda bae kayaning Atja, Ayat, Saleh almarhum, Edi jeung sawatara urang deui. Jigana moal aya salawe kabehna teh. Boa sabelas oge biheung!

Pertanyaan Sdrk. HIB Djajawigoena henteu tetela: Naon maksudna ”leungitkeun bae deuih?” teh? Lamun maksudna dileungitkeun teh ulah diajarkeun, kapan ayeuna oge geus henteu diajarkeun di sakola-sakola (mun kuring henteu salah). Lamun maksudna dileungitkeun teh, rek ngancurkeun naskah[ 57 ]naskah jeung buku-buku anu ditulis ku aksara Sunda atawa aksara Jawa, tangtu ulah.

Ngan boh aksara Sunda boh aksara Jawa, cek kuring mah henteu kudu diajarkeun deui ka urang Sunda ayeuna, sabab ngan ngahahambur tanaga, waktu jeung waragad. Nu bisaeun kiwari jumlahna henteu pira, atuh naskah-naskah anu ditulis dina eta aksara oge rea eusina anu henteu miboga mangpaat praktis keur kahirupan urang Sunda kiwari. Jadi nu nyanghareupan naskah-naskah eta mah cukup ku para ahli bae. anu bisa diajar eta aksara sacara khusus lamun manehna geus milih widang kaahlianana.

Aksara Laten anu ayeuna dipake geus leuwih ti saabad ku urang Sunda, tur geus ngahasilkeun tulisan anu jumlahna leuwih rea manan sagala naskah basa Sunda anu ditulis ku aksara lianna. cek kuring mah lamun dirobah sautak-saeutik deui, baris bisa ngagambarkeun basa Sunda sacara leuwih merenah manan aksara Sunda atawa Jawa. Komo lamun aya cita-cita basa Sunda dipake pikeun ngabahas masalah masalah elmu modern. Aksara Sunda jeung Jawa mah hese dipakena pikeun ngagambarkeun istilah paelmuan modern.

6. Sanajan Sdrk. HIB Djajawigoena nyebutkeun ”teu pisan-pisan aya maksud sim kuring nanyakeun ka urang Jepang ngeunaan basa Sunda rek dikumahakeun ku urang Sunda”, tapi anjeunna nyaurkeun yen maksudna nganjurkeun sim kuring nanya ka Moriyama Mikihiro san naon sababna nu matak diajar basa Sunda teh saenyana ”deet pisan, nya eta: geuning urang asing oge ― ti mana ti mendi ― loba anu katarik hatena ku basa Sunda teh”. Eta kasauran ngagambarkeun yen memang dina dasar-dasarna mah Sdrk. HIB Djajawigoena kagungan mentalitas hayang jadi ”tongtoneun deugdeugeun deungeun”, nya eta jadi obyek deungeun-deungeun. Resep tur agul pedah aya urang deungeun anu diajar basa Sunda, da tuluy dianggap bukti yen ku kituna teh dumeh basa Sunda leuwih unggul manan basa sejenna! Paling henteu dianggap basa Sunda teh hebat.

Bilih Sdrk. HIB Djajawigoena henteu acan uninga, urang asing anu dialajar basa Sunda di dunya anu sakieu legana teh henteu seueur, henteu "ti mana ti mendi".

Moriyama san urang Jepang munggaran anu diajar basa Sunda sacara daria, sabada kuring ngajar bari ngajarkeun basa Sunda di Osaka Gaidai. Samemehna aya hiji-dua sarjana urang Jepang anu kungsi diajar atawa ngajar di Unpad anu aya minat kana basa Sunda tapi henteu diajar sacara daria. Ku lantaran eta Moriyama san teh anu munggaran anu tatag nyaritana basa Sunda jeung terangeun kana elmuna deuih (anu tatag nyarita basa Sunda mah ti memeh perang oge tos aya urang Jepang teh, ngan henteu dibarung ku elmuna).

Di Walanda, salian ti FS Eringa (anu ayeuna tos pupus), ngan aya J. Noordiyn, anu widang saleresna mah sanes basa Sunda. Di Australia anu di sakola menengahna keneh geus aya nu ngajarkeun basa Indonesia, ngan aya Wendy Solomon anu ayeuna keur ngeureuyeuh nyusun tesis ngeunaan sastra Sunda. Di Amerika sakaterang sim kuring mah ngan aya saurang (Suzanne Sutro) nu neundeun perhatian husus kana basa atawa sastra Sunda; sanajan aya nu [ 58 ]nalungtik soal kapercayaan (Robert Wessing) atawa soal sosial-politik (KD Jackson, sanajan saenyana nu ditalungtikna teh jalma nu cicing sabudeureun Bandung bari jeung henteu ngahususkeun ka urang Sunda). Di Inggris memang aya HR Robins anu geus lila neundeun, perhatian kana basa Sunda, tur bukuna ayeuna geus aya anu disalin kana basa Indonesia. Di Rusia, di Jerman, Di Prancis, di Italia, di Cina, di Korea, jeung sawatara nagara sejen anu miboga ”Indonesian studies” umumna henteu barogaeun ahli anu neundeun minat kana basa Sunda, jadi teu aya nu dialajar basa Sunda. Teuing naon sababna, tapi perelu kauninga yen kana basa Jawa, basa Bali, basa Minangkabau, malah ka basa-basa laleutik di NTT, Kalimantan, Irian Jaya, rea anu neundeun perhatian, malah aya nu mangnyieunkeun kamusna sagala. (Kamus basa Sunda anu disusun ku FS Eringa, kakara medal sabada nu nyusunna tilar dunya).

Jadi lamun eta oge anu rek dijieun ukuran, nya eta ”deugdeugeun tongtoneun deungeun”, kaayaanana henteu matak pikagumbiraeun. Rea keneh sarjana deungeun anu dialajar basa Nias sigana, manan anu dialajar basa Sunda.

Ari ku kituna mah nya kaharti oge, da ulah pon deungeun-deungeun, dalah batur sabangsa papada urang Indonesia oge anu ti luar Nusa Selatan anu ilahar disebut pulo Jawa tea mah, langka anu terangeun yen di dunya aya urang Sunda. Ku sabab pulona oge dingaranan Pulo Jawa, nya dianggap weh kabeh pangeusina oge urang Jawa wungkul. Ngan anu kungsi nyaba ka tatar Sunda anu terangeun yen aya urang Sunda, anu henteu bisa disahompetkeun jeung urang Jawa. Bubuhan atuh da urang Sunda mah cicing oge di pavilyun! Nya eta pisan antarana sababna nu matak dina Kongres Pamuda Sunda 30 taun ka tukang (1956) kuring sabatur-batur sapuk mroklamasikeun yen Pulo nu disarebut pulo Jawa teh diganti ngaranna jadi Nusa Selatan, Jawa Barat jadi tatar Sunda, ari nu disebut Jawa Tengah ayeuna kudu diganti jadi Jawa Barat. Hanjakal ulah pon nu sejen, anu mroklamasikeunana oge rea anu henteu satia kana eta proklamasi.

7. Ahirna ngeunaan pananya Sdrk. HIB Djajawigoena naon sababna timbul basa lemes anyar kayaning saalit, babantos, teu sangki jsb, anu ku anjeunna keneh diwaler yen ”Luyu jeung kalemesan budi urang Sunda”, cenah.

Cek kuring mah, ayana kecap-kecap lemes anyar kaya kitu teh lain tanda kalemesan budi urang Sunda lain sing, tapi ku sabab aya ide yen kudu make basa lemes, nya eta ide ayana undak-usuk basa anu dina jero kira-kira saabad disebarkeun ka masarakat Sunda. Kekecapan nu ku Sdrk. HIB Djajawigoena disebut kecap lemes anyar teh, sakapeung apan disebut lemes dusun; da dianggap dijieunna ku urang kampung nu henteu kungsi ngambeu sakola. Jalma-jalma anu henteu kungsi sakola, henteu kungsi diajar undak-usuk kudu nahap-nahapkeun maneh jeung menak nu beradab, ”nyakola”, nya maksakeun nyaritana oge nurutan menak, ngagunakeun basa lemes. Tapi ku lantaran henteu kungsi diajar undak-usuk, nya sabisa-bisa nyiptakeun kecap-kecap anu cek anggapanana basa lemes, nu ku para ahli bisa disebut basa lemes dusun atawa lemes anyar.

Lamun henteu aya ide ngeunaan undak-usuk basa atawa kudu nyarita make [ 59 ]basa lemes, tangtu moal aya nu ngaluarkeun kekecapan model kitu. Buktina mah babari: timbulna basa lemes anyar kaya kitu teh apan di urang Sunda anu hirup di masarakat anu ngagem paham kudu ngagunakeun undak-usuk basa, anu kudu make basa lemes. Da di masarakat Baduy mah anu memang henteu wawuheun kana ide undak-usuk basa atawa ayana basa lemes, teu kungsi kaluar basa lemes anyar model kitu teh.

Naha ku kituna, Sdrk. HIB Djajawigoena rek nyebutkeun yen urang Baduy mah henteu miboga ”kalemesan budi”? * * *

13-8-1986

[ 60 ]POPO ISKANDAR

Pelukis jeung dosen Seni Rupa IKIP Bandung, ayeuna geus Lektor Kepala. Meunang gelar doktorandeus ti Jurusan Seni Rupa ITB taun 1953.

Kungsi kuliah di Jurusan Arsitektur ITB minangka nganteur kahayang kolot. Henteu lana, tuluy kuliah di BI Matematika, kitu ge ukur tepi ka Sarjana Muda.

Lahir di Garut, 17 Desember ti kulawarga seniman. Babakuna ramana resepeun pisan kana mamaos.

Icikibung dina dunya atikan geus dilalanyahan ti mangsa kuliah keneh, ngajar di SMP jeung di Sakola Guru. Taun 1957 mere kuliah — ngaasistenan — di Seni Rupa ITB.

Ti taun 1967 tepi ka taun 1969 nyekel kalungguhan Pembantu Dekan Fakultas Keguruan Sastra dan Seni IKIP Bandung; Ketua Jurusan Seni Rupa IKIP Bandung tepi ka taun 1973; mere kuliah di Lembaga Kesenian Jakarta.

Tulisanana babakuna ngeunaan Seni jeung Kabudayaan. [ 61 ]

UNDAK-USUK BASA SUNDA

DINA RARAGA

IDENTITAS KI SUNDA

Ku: Popo Iskandar

PANYANA teh anggeus ku demokrasi, geus puguh rengkolna dina Undang-undang Dasar katut dina Pancasila. Ditambahan ku Basa Persatuan anu kurang kumaha demokratisna. Rea kulawarga pejabat anu sapopoe di imahna nyarita Basa Indonesia, tapi naha ari feodalisme masih keneh bungkeuleukan, malah beleger keneh. Malah ari cek Ki Djadja mah, cacakan ngan ukur ka pajaratan, bet hayang mendung papayung.

Ngahaja nyebut pejabat teh da eta atuh sanggeus leuwih ti 40 taun merdika, leuwih ti 40 taun di alam demokrasi, kawilang rea keneh anu hayang dimemenan dienak-enak, malah diugung-ugung. Teu bisa ngabedakeun urusan kantor jeung urusan pribadi. Rek ngaroris, ngahaja ngiberan heula. Atuh ari sumping, teu wudu disampakkeun kasenengna, kalangenanana. Tangtu bae nu kieu teh henteu sapihak. Da moal jalan atuh mun sang pejabat wungkul mah anu feodalistisna.

Da puguh feodalisme anu mangrupa salah sahiji kerak budaya urang Indonesia henteu notok urang Sunda jeung Jawa wungkul kabudayaan karaton anu lumangsung ratusan taun, tug nepi ka jajahan Walanda, moal tea bisa luntur ku 40 taun. Cara munjung ka kayu ka batu-animisme geuning teu luntur ku datangna kapercayaan Hindu jeung Buda. Atuh dina datangna Cina, Islam jeung Barat, bet kabehanana oge mere warna kana identitas bangsa Indonesia. Ditambah deui ku feodalisme, lain bae di Pulo Jawa. Enya eta oge urang Malayu miboga budaya dagang, keukeuh bae ari pucuk pingpinan pamarentahan mah dicekel ku anu ngabogaan kakawasaan mutlak tur turun-tumurun.

Tapi, nya palebah dieu pisan tijalikeuhna pulitik pamarentahan Walanda teh. Enya, diaku, Walanda nagara leutik geus hasil ngajajah Nusantara anu legana puluhan kalieun ku lantaran Walanda dina ngajajahna henteu langsung make sistem pamarentahanana sorangan, tapi make tangan-tangan kaum feodal, ti peringkat anu pangluhurna nepi ka nu panghandapna. Bisa dibaca Max Havelaar, [ 62 ]kumaha kuatna kalungguhan kaum feodal, nepi ka Asisten Residen anu langsung ngawakilan pamarentah kolonial Walanda. teu asa-asa deui dijatuhkeun. Ari tijalikeuhna ku lantaran cileureun kurang malire munculna kaum pamuda ti golongan menengah. Ana geus katalanjuran kakuatan kaum pemuda teu bisa dibendung, nya kapaksa Walanda angkat kaki.

Demokratisasi kajiwaan Ki Sunda saenyana geus mimili lilir ti sabarang meletekna srangenge kasadaran kaum pemuda kana cita-cita kamerdikaan. Nya, lahir Sumpah Pemuda minangka padika geusan ngalawan pulitik memecah belah ku jalan ngagedurkeun feodalisme. Atuh sepak terjang kaum muda dina ngalawan penjajah teh oge anti feodalisme anu mangrupa tangan-tanganna.

Mana komo sanggeus pamarentahan pendudukan Jepang mere kasempetan ka Bung Karno geusan ngobarkeun sumanget kamerdikaan jeung cinta lemah cai mah. Atuh proklamasi Kamerdikaan sasatna ngan ukur neangan momentum anu mustari pikeun ngalahirkeun anu geus ngagedur dina sakur dada putra-putri Indonesia.

Lahirna kamerdikaan, sacara konstitusi mah oge lahirna demokrasi. Ku kituna, cek pangrasa mah, pokal ngademokratiskeun Basa Sunda anu disodorkeun ku MA Salmun dina taun 50-an, saenyana mah ukur aweuhan tina proses demokratisasi anu keur lumangsung. Memang enya, Ki Sunda dina milu tandang dina alam kamerdikaan, mibutuh komunikasi basa anu leuwih laluasa teu kabeungkeut teuing ku ugeran-ugeran basa anu hese ngalarapkeunana. Tapi da puguh basa mah rea rambat kamalena, harita oge Salmun pada nyesedek ku para ahli Basa Sunda sejenna, tungtungna eleh deet. cenah, ”Da kuring mah lain rek ngaleungitkeun basa lemes.”

Ayeuna jol deui prasaran ti Ajip Rosidi ngeunaan undak-usuk Basa Sunda supaya dileungitkeun, cek pangrasa, tafsiran Ajip kana undak-usuk basa Sunda, nyabeulah teuing kana sumber "ungguh-ungguhing basa", nepi ka karasana karikatural. Tangtu bae hasil budaya-karaton anu disebut feodalisme tea ngamangpaatkeun hubungan ngoko-kromo pikeun mere kontras antara raja jeung abdina, antara menak jeung cacah. Tapi basa ngoko jeung kromo geus aya ti beh dituna, minangka manifestasi tina pangaruh Hindu-Jawa anu pinuh ku panta-panta. Ku lantaran kitu, boh ngoko-kromo-ungguh ungguhing basa, boh basa kasar-lemes katut undak-usuk basa, tetela lain produk feodalisme wungkul. Dina jero-jerona aya sangkut pautna jeung etika estetika katut moralita.

Sawatara waktu ka tukang, Ki Hidayat kungsi nanyakeun, kumaha pamadegan kuring ngeunaan undak-usuk basa Sunda dina raraga demokratisasi Basa Sunda. Cek kuring, di unggal basa oge aya undak-usuk, ngan beda sipatna, beda carana. Saperti di Barat undak-usuk salaku manifestasi hormat-tilawat dipakena ka nu anyar pinanggih atawa ka anu teu pati loma, da ari ka nu akrab mah tara dipake, malah ka aki oge bisa bae nyebut ”maneh,” Urut guru kuring nganjurkeun supaya kuring nyebut nenehna bae, nu hartina bisa nyebut ”maneh.”

Keur urang Sunda teu tega temen nyebut ”maneh” ka urut guru, sabab di urang mah, sakali guru, tetep guru. Atuh keur Ki Sunda hormat-tilawat ka indung bapa, [ 63 ]ka guru ka saluhureun teh mangrupa etika jeung moralita anu hese malah moal beunang dileungitkeun. Kedalna nya dina undak-usuk basa.

Feodalisme teh lahir tina rasa kaningratan, tapi jero-jeroanana timbul tina rasa leuwih jeung rasa kumawasa mutlak. Nu matak dina alam merdika oge rasa feodalisme teh henteu suwung. Tapi, babakuna angkatan muda geus leuwih jauh ninggalkeun feodalisme. Moal boa ieu teh hasil pendidikan. Memang feodalisme sanggeus 40 taun merdika masih keneh bercokol, tapi cek pangrasa, leuwih gampang ngaleungitkeun rasa feodalisme, tinimbang jeung ngaleungitkeun identitas basa anu terus-terusan sambung sinambung marengan hirup Ki Sunda nepi ka kiwari.

Di Taman Ismail Marzuki kuring pasanggrok jeung sobat medok. Keur hog-hag euy-silaing-dewek jeung baturna. Ari ret ka kuring, pokna: "Eh, Kang Popo, iraha sumping?” Solongkrong baturna munjungan: ”Kang Po, kumaha damang?” Hiji budak lalaki dicelukan ku indungna: ”Ujang!” "Kulan”, tembalna. ”Nyai”, "Kaah”.

Kuring sok sok mindeng nengetan "rayat jelata” boh dina beus, dina beca, di pasar, di padesan. geuning boh basa lemes, boh undak-usuk loba pisan dipakena. Asana teu mantra-mantra kana feodalisme. Kuring mah kacida manglebarkeunana lamun ieu identitas Ki Sunda nepi ka leungit teh. Tapi kuring percaya moal nepi ka kitu, sabab Ki Sunda wanohna kana basa lemes jeung undak-usuk teh lain tina Panyungsi Basa. ***

Popo Iskandar, pelukis, anggota Akademi Jakarta. [ 64 ]

NGAMEKARKEUN BASA SUNDA

Jawaban Ajip Rosidi

Bubuka Sabada ngabandungan ”polemik” anu dimuat dina MANGLE, nu diajukeun ku Saini KM. (no. 1052, 17-23 Juli 1986), Djadja Sargani (1053, 24-20 Juli 1986), F. Djayasudarma Idat A. (1055, 7-13 Agustus 1986), Beni Setia (1056, 14-20 Agustus 1986) jeung Popo Iskandar (1060, 11-17 September 1986), kuring ngarasa perelu nerangkeun heula istilah "undak usuk basa”, sabab katenjona henteu sakabeh anu mere reaksi kana makalah kuring tea miboga konsep nu sarua ngeunaan eta istilah. Upamana Popo Iskandar, dina tulisanana ngahartian ”undak usuk basa” teh sarua jeung "basa hormat tilawat” anu cenah aya dina saban basa oge.

Tapi anu leuwih ti heula kudu disebutkeun mah meureun kesan umum sabada maca eta tulisan-tulisan anu mere reaksi kana makalah kuring tea. Aya anu geus balaka ti anggalna yen ngan rek mere reaksi kana sabagian tina makalah kuring, cara Saini jeung F. Djajasudarma Idat A., anu pangpangna nyoko kana soal undak-usuk basa. Popo Iskandar mah siga anu henteu maca-maca acan makalah kuringna oge, paling henteu: henteu taliti macana, nganggap yen makalah kuring teh ngeunaan undak-usuk basa, padahal tetela undak-usuk basa mah ngan sabagian tina masalah anu dibahas dina eta makalah.

Katingalna anu mere reaksi kana soal undak-usuk basa rereana dumasar ka dirina pribadi bae, kana pangalaman dirina, paling-paling kana pangalaman lingkunganana. Padahal kabehanana oge nu mere reaksi teh bisa digolongkeun ka kaum ”elite" di masarakat Sunda kiwari, rata-rata tamatan universitas, malah rereana mah ngawulang di universitas, tur maratuh di kota gede (Bandung). Atuh anggapan jeung pamadeganana ngeunaan basa Sunda, ngeunaan undak-usuk basa ge dumasar kana visi lingkungan kaom ”elite” Sunda, anu geus ti jaman urang masih keneh dijajah Walanda dijejelan paham jeung anggapan-anggapan anu rek ngukuhan undak-usuk basa, anu nganggap yen undak-usuk basa teh [ 65 ]manifestasi urang Sunda anu ”nyakola”, anu ”beschaafd”.

Hanjakal kuring henteu kungsi meunangkeun hasil panalungtikan Tini Kartini spk. ngeunaan Undak-usuk basa Sunda, jadi kuring henteu terang naon jeung kumaha hasilna. Sakaterang kuring mah nepi ka kiwari tacan aya hiji panalungtikan ngeunaan kumaha digunakeunana undak-usuk basa di masarakat, lain ngan di kota-kota bae, leuwih-leuwih: lain di Bandung bae, nepi ka urang saenyana mah henteu miboga gambaran anu tetela ngeunaan eta hal. Nu sidik, jaman keur resep apruk-aprukan ka pilemburan dina taun 1960-an, kuring boga kesan yen urang lembur mah rereana henteu ngagunakeun undak-usuk basa cara anu diajarkeun ku guru di sakola-sakola. Lain hartina urang lembur tara ngajenan nu sejen atawa henteu terang kumaha kuduna ngahormat ka nu sejen anu hormateun; kitu deui lain hartina urang lembur henteu miboga ”kalemesan budi.” Nu matak dina makalah kuring tea, kuring neundeun kecap ”kalemesan budi urang Sunda” dina hubungan undak-usuk basa, salilana di antara kekenteng!

Ari basa Sunda tea apan lain ngan kagungan urang kota bae, lain ngan kagungan para sarjana bae, lain ngan kagungan guru basa Sunda bae, lain ngan kagungan para ahli basa Sunda bae, tapi milik sakumna masarakat Sunda. Ari masarakat Sunda tea anu jumlahna geus leuwih ti 22 juta, rereana teh apan urang lembur; anu sakolana henteu cucud, henteu nepi ka universitas, henteu nepi ka sakola menengah-menengah acan! Dalah SD oge henteu kabeh nepi ka tamat.

Tangtu baris aya nu nyundul: Na matak naon, da ti baheula oge di mana bae oge nu nangtukeun politik mah, kaasup politik kabudayaan anu ngawengku politik basa, salilana oge kaum “elite”. Jadi merenah lamun ayeuna oge nu mikiran jeung nangtukeun poe hareup basa Sunda teh nya kaum ”elite” deuih.

Enya, ngan hadena mah dumasar kana orientasi ka balarea, nya rahayat murba sasatna. Lain ngan dumasar kana pangalaman pribadina atawa pangalaman lingkungan jeung kaomna wungkul. Katangtuan politik, kaasup politik kabudayaan anu ngawengku politik basa deuih, komo di alam demokrasi mah, leuwih hade dumasar kana kanyataan-kanyataan anu aya di masarakat, sangkan bisa katarima ku balarea. Katangtuan anu elitis, anu henteu merhatikeun kanyataan-kanyataan jeung kahayang anu nyampak di balarea, tangtu baris merelukeun tunjel anu rohaka, anu hasilna teh deuih tacan tangtu nyugemakeun.

Dina palebah urusan basa Sunda, pangpangna anu aya patalina jeung undak- usuk basa, hadena mah dumasar kana hasil panalungtikan anu obyektif di kalangan masarakat anu ngagunakeun basa Sunda, kaasup — malah pangpangna — urang pilemburan.

Undak usuk basa

"Undak-usuk" cek KAMUS UMUM BASA SUNDA (1976) mah: 1. panta-panta: undak-usuk basa Sunda: panta-panta basa saperti basa cohag, basa loma, basa sedeng, basa lemes jste. 2. tatakrama, kasopanan: teu make undak-usuk, teu make tatakrama”.

Ari cek KAMUS BASA SUNDA (1954) susunan R. Satjadibrata mah, undak-usuk teh: "undak-undak kawas usuk (henteu sarua luhurna); teu nyaho di undak- [ 66 ]usuk: teu nyaho di tatakrama; undak-usuk basa Sunda aya lima panta: basa kasar pisan, basa kasar, basa panengah, basa lemes, jeung basa lemes pisan (basa luhur).”

Sedengkeun ”panta” cek eta dua kamus, nya eta ”tahap”, ”undak-undak”. Meureun bisa disaruakeun jeung “tingkat” dina basa Indonesia.

Jadi tetela undak-usuk basa teh dipake pikeun nyebut ayana panta-panta, tahap-tahap, tingkat-tingkat dina basa Sunda. Kumaha, keur saha jeung iraha dipakena tingkat-tingkat basa teh? Hanjakal eta dua kamus henteu mere katrangan ngeunaan eta. Ngan urang sarerea pada terang, yen panta-panta basa teh dipakena kudu luyu jeung katungguhan: nu rnakena masing-masing di jero pakumbuhan. Jadi sacara henteu langsung ayana basa Sunda anu dipanta-panta ngagambarkeun ayana pakumbuhan Sunda anu jalma-jalmana oge dipanta-panta deuih.

Ieu luyu jeung kaayaan masrakat Sunda waktu mimiti ngagunakeun undak- usuk basa dina basa Sunda.

Iraha mimitina urang Sunda ngagunakeun undak-usuk basa? Hanjakal deui bae, cara anu kungsi disebutkeun ku kuring dina makalah kuring tea, yen nepi ka kiwari tacan aya panalungtikan ngeunaan igu dina naskah-naskah Sunda. Lamun geus aya anu nalungtik naskah-naskah tea, ti mimiti Siksa Kanda ng Karesian anu buhun, jeung naskah-naskah lianna dina aksara Sunda nepi ka naskah-naskah beh dieu anu ditulis dina aksara Jawa, Arab jeung Laten, meureun baris katingal ti iraha mimitina undak-usuk basa dipakena ku urang Sunda dina basa Sunda.

Dina makalah tea kuring nyebutkeun yen aya kesan undak-usuk basa Sunda teh kakara digunakeun dina awal abad ka-19, paling-paling ahir abad ka-18. Tapi beh dieu kuring maca surat-surat Raden Haji Muhammad Musa (1822-1886) ka Raden Ayu Rajapamerat, geureuha Kangjeng Pangeran Suria Kusumadinata, bupati Sumedang, dina buku Serat-sinerat Jaman Jumenengna Raden Haji Muhammad Musa anu disusun ku Raden Danoeredja (1929). Dina surat anu ditulis dina tanggal 17 April 1884, Muhammad Musa ngabasakeun anjeun ”kuring”, sanajan nyebut gamparan” ka Raden Ayu Rajapamerat; tur rea kecap anu cek ukuran undak-usuk basa anu diajarkeun ku Panyungsi Basa mah henteu merenah, cara "gamparan anu ti heula”, "enggeus ageung”, "enggeus nampi”, jeung sabangsana. Salian ti eta, dina buku MA Salmoen Kandaga Kasusastran Sunda (cit. II, 1963) aya katerangan anu nyebutkeun yen basa Sunda anu digunakeun ku para pangarang antara 1855-1908 masih "rea keneh anu ka- baheulaan. Tampolana basa lemes (nu pikeun urang Sunda mah basa anyar), sok pacaruk jeung basa kasar” (k. 139).

Tetela sinyalemen Salmoen teh luyu jeung basa anu dipake ku para panSarang lianna dina akhir abad ka-19 oge.

Lamun enya kitu, naon hartina?

Hartina, basa lemes, anu diterapkeun jeung undak-usuk basa tea, memang mangrupa “basa anyar” (cek istilah Salmoen) keur urang Sunda harita, nya eta [ 67 ]ahir abad ka-19. Jadi meureun ana kitu mah, kakara harita atawa paling awal kakara dina awal abad ka-19 saenyana mah terapna atawa diajarkeunana undak-usuk basa dina basa Sunda teh.

Lamun bener yen undak-usuk basa kakara diterapkeun dina basa Sunda awal abad ka-19, atuh anggapan yen undak-usuk basa asupna kana basa Sunda teh dina mangsa tatar Sunda diparentah ku Mataram henteu merenah. Atawa dina mangsa harita mah nu ngagunakeun undak-usuk basa teh (hartina: pangaruh basa Jawa teh) ngan ukur kulawedet padaleman bae, tacan nyebar ka masarakat? Tangtu pikeun mastikeunana kudu diayakeun panalungtikan anu leuwih taliti.

Tapi anu sidik kesan kuring yen saenyana mah undak-usuk basa teh dina basa Sunda kakara disebarkeun sabada aya sakola, nya eta dina bagian kadua abad ka-19, jadi asa beuki ngayakinkeun.

Dina taun 1879 di Bandung diadegkeun Hoofdenschool, nya eta sakola pikeun calon pangrehpraja anu muridna dipilih ti antara para putra gegeden (menak). Eta sakola teh engkena jadi OSVIA, anu ku urang Sunda dina basa sapopoe disebut Sakola Menak, da kaluaran ti dinya mah engkena jaradi menak. Sigana nya di dinya para calon menak teh dialajarna basa Sunda, atawa leuwih merenah dialajarna undak-usuk basa. Di eta sakola para murid nyararita make basa Sunda luyu jeung undak-usuk anu diajarkeun tea, tur kudu make tatakrama, anu harita mah hartina lamun nyarita jeung guru, komo deui guru urang Walanda (direktur eta sakola salilana urang Walanda bae), kudu acong-acongan nyembah. Kakara dina awal abad ka-20, waktu JCJ. van Bemmel jadi direktur eta sakola, kawajiban ngagunakeun basa Sunda katut tatakrama "sembah gengsor” dileungitkeun diganti ku nyarita dina basa Walanda bari make tatakrama Barat (hartina henteu kudu “sembah gengsor”).

Tapi harita (awal abad ka-20), undak-usuk basa geus ngalemah dina basa Sunda, tur anu nyebarkeunana lain bae Sakola Menak, tapi Sakola Raja (HIK) jeung Sakola Normal (Sakola Guru) deuih.

Ningal yen guru-guru basa Sunda anu nyarusun pangajaran basa Sunda teh salilana ”diaping” ku urang Walanda ahli ”Indologie” upamana DK. Ardiwinata "diaping” ku de Bie, ari R. Soeria di Radja ”diaping” ku J. Kats, kuring boga timburu yen disusun jeung diajarkeunana undak-usuk dina basa Sunda teh lain bae meunang ”restu” ti nu ngaraping, tapi oge meunang pangjurung deuih. Ari pangjurung ti nu ngaping, ulah pon harita di jaman kolonial, dalah ayeuna oge diria alam kamerdikaan apan sok dianggap ”parentah”, sanajan ”lemes”. Ari J. Kats upamana, apan leuwih ti heula jadi ahli basa Jawa manan ahli basa Sunda teh, jadi merenah lamun kacida nyaluyuanana, malah kacida ”ngajurungna” sangkan pangajaran basa Sunda oge ngagegedekeun undak-usuk basa. Lain bae sangkan nurutan basa Jawa, tapi pangpangna mah ku lantaran dina aturan undak-usuk jeung tatakrama harita, urang Walanda diperenahkeunana teh saluhureun dalem, papada kudu make basa lemes pisan atawa basa luhur (cek Raden Saijadibrata mah),jeung kudu disembah bari gengsor.

Dina jaman harita, jaman urang dijajah Walanda, memang dina pakumbuhan urang Sunda (cara dina pakumbuhan sakumna urang Indonesia) aya panta-panta [ 68 ]sosial. Dalah kalungguhan masing-masing jalma oge beda-beda nurutkeun hukum, da aya hukum anu khusus jang urang Walanda katut urang Barat, aya hukum khusus pikeun urang Timur asing (Cina, Arab, Keling jeung lian-lianna). Ari urang pribumi jadi dadampar panghandapna. Tapi ku lantaran jumlahna pangreana, masih keneh dibagi-bagi deui kana panta-panta: menak, santana, somah atawa cacah kuricakan.

Undak-usuk basa anu ”dijieun” jeung diajarkeun dina abad ka-19 nepi ka awal ka-20, memang luyu jeung kaayaan masarakat Sunda harita anu dibagi dina tahap-tahap sosial. Kaom menak narima undak-usuk basa, da kabagian anu genahna, cenah apan menak mah ”dimemenan dienak-enak”, kabagian basa anu lemes (mun batur nyarita ka manehna atawa lamun dicaritakeun ku nu lian) tur bari wenang ngagunakeun basa kasar ka sakur anu dianggap sahandapeunana. Kaom santana, bubuhan anu kumawula ka menak, nya tangtu bae henteu bisa kukumaha, narima kana ayana undak-usuk basa. Ari cacah kuricakan mah ku lantaran jauh ti lingkungan menak, saenyana henteu aya urusan jeung undak-usuk basa, sapopoena ngagunakeun basa Sunda anu henteu make panta-panta, ngeunah ngabasakeun dirina ”kuring,” "dewek,” ”urang,” ”kami,” "ana” jeung sabangsana, nyebut ka nu diajakna nyarita make "ki silah”, ”silaing”, "ente”, ”maneh” bari henteu ngarasa ngarendahkeun atawa direndahkeun, da taya waru taya dadap tea. Nu matak ana sakali-kalieun kudu papahareup jeung menak anu kudu dihormat ku basa lemes, nya kalaluar kekecapan anu cek para ahli basa mah "lemes dusun” cara ”sayogi”, ”cekip”, "nyondong” jeung sabangsana.

Ras bae inget kana carita Joehana (sandi asmana Ahmad Basah), nu judulna Rasiah nu goreng patut (1927). Di dinya dicaritakeun yen Karnadi tukang ngala bangkong nu ngaku-ngaku jadi anemer beken tea, "asal muasal mah urang dayeuh, tadina jadi tukang ngored palataran sakola menak. Ku lantaran saban poe ngadenge barudak sakola cacarita, atuh teu wudu oge Karnadi teh bisa basa lemes saeutik-eutikeun, bisa ngarereka carita, malah bisa nurutan lentong menak sagala” (k. 6-7. Sanajan eta buku teh hiji carita, lain hasil panalungtikan, tapi kalimah-kalimah anu dicutat tadi mere indikasi yen basa lemes teh diajarkeun di sakola, nepi ka jalma nu henteu kungsi sakola mah, sanajan urang dayeuh cara Karnadi, henteu bisaeun nyarita basa lemes,

Hartina sumebarna undak-usuk basa (jeung tatakrama) Sunda teh hasil tina pangajaran sakola, nya eta agen pangajaran Barat di Indonesia, kaasup di tatar Sunda. Ari pangajaran sakola harita, diluyukeun jeung kabijaksanaan (= politik) pamarentah kolonial Walanda, anu lain bae hayang langgeng ngajajah, tapi langgeng deuih disembah jeung didama-damana. Ku lantaran dina marentah teh Walanda mah henteu langsung, tapi ngagunakeun para menak jeung gegeden pribumi (nu matak nu diayakeun pangheulana oge "Hofdenschool”, sakola keur para kapala), nya mere tempat anu genah keur kaom menak tea; atuh dina basana make basa anu lemes kana mamaras rasana.

Tina gambaran anu dumasar kana sawatara data sajarah di luhur, tetela yen undak-usuk basa dina basa Sunda teh memang nurutan basa Jawa anu sumebarna dibantuan atawa malah dirojong paling henteu dibere ”restu” ku (ahli) Walanda, [ 69 ]luyu jeung kabijaksanaan politik pamarentah kolonial harita, via sakola-sakola, jeung via kahirupan kaom menak. Anggapan yen undak-usuk basa teh mangrupa titinggal kabudayaan Hindu anu masarakatna dibagi kana kasta-kasta cara anu kungsi diajukeun ku S. Coolsma (Soendaneesche Spraakkunst, 1904), Dayat Hardjakusumah ("Fungsi Sosial Basa Sunda”, 1955) jeung anggapan Popo Iskandar yen basa ngoko jeung kromo "geus aya ti beh dituna, minangka manifestasi tina pangaruh Hindu-Jawa anu pinuh ku panta-panta”, henteu dibuktikeun ku data sajarah. Cara anu kungsi dipedar dina makalah tea, unggah-ungguhing basa dina basa Jawa kakara muncul sabada jaman Mataram diparentah ku Sultan Agung anu hayang nembongkeun kaagung binantaraanana (hartina sabada ngaragem agama Islam), jeung dina basa Sunda kakara muncul dina abad ka-19, jadi waktu urang Sunda oge umumna geus ngagem agama Islam anu henteu ngabeda-bedakeun harkat manusa dina kahirupan sosial. Jeungna deui, sanajan masarakatna dibagi kana kasta-kasta, basa Sangsakerta jeung basa India lianna mah henteu miboga undak-usuk basa cara basa Jawa jeung Sunda.

Ngan sidik, yen undak-usuk basa teh diayakeun pikeun merenahkeun masarakat nu make eta basa dina alam feodal anu dibagi kana tingkat-tingkat, anu ngagambarkeun yen manusa teh henteu satata- saharkat, nepi ka basa anu dipakena oge beda-beda.

Basa Sunda anu make undak-usuk basa teh nya eta basa anu tuluyna dina Kongres Basa Sunda 1924 dijadikeun basa lulugu, hartina basa anu dianggap ”"beschaafd”, "berbudaya”, ”nyakola”. Hartina nu ngagunakeun basa Sunda anu eta, nya jalma anu "nyakola” anu "beschaafd”, anu ”berbudaya”; lain jalma ”dusun”, "kampungan”, "teu nyakola”.

Basa Sunda anu henteu kitu, dianggap basa wewengkon, basa dialek, atawa basa Sunda dusun.

Palebah dieu henteu merenah Saini KM. ngabandingkeun kaayaan basa Sunda katut basa Indonesia jeung tumuwuhna basa-basa nasional di Eropah. Saini nganggap basa nasional teh basa Indonesia, ari basa Sunda dianggap “basa dialek”; padahal basa Sunda mah lain basa Indonesia, da lain basa Malayu, sanajan masih kagebengkeun kana dapuran basa Austronesia. Nu leuwih merenah, lamun Saini ngabandingkeun basa Sunda anu ”beschaafd”, "basa lulugu” tea jeung basa-basa nasional di Eropah, ari basa-basa dialek kana basa wewengkon nu aya dina basa Sunda. Tapi palebah dieu baris katingal henteu merenahna, da justru dina basa Sunda lulugu ayana tingkat-tingkat basa, padahal cenah mah dina basa lulugu kudu leuwih "lugas, logis, teu-pribadi, teu imeut kana situasi atawa status nu nyarita jeung nu diajak nyarita, boh sosial boh filial”. Ku anjeunna oge diaku yen basa Sunda mah "nonjol sifat filial-komunalna”.


Modifikasi undak-usuk basa

Sabada timbul gerakan nasional anu gede pisan kapangaruhanana ku paham demokrasi Barat, komo sabada Indonesia jadi nagara merdika anu dumasar kana demokrasi tur aya rengkolna dina Undang-undang Dasar, para guru jeung para [ 70 ]ahli basa Sunda nu umumna wedalan Sakola Raja jeung Sakola Normal mangsa kolonial, henteu wani ari entang-entangan ngabela sistem feoda!-kolonial mah dina pangajaran basa Sunda teh, tapi ku lantaran ti leuleutik geus dibiasakeun ngagunakeun undak-usuk basa, ngarasa kurang merenah lamun undak-usuk basa dipiceun, ngarasa lebar lamun basa lemes disingkirkeun(da pangrasana miceun undak-usuk basa teh hartina miceun "kalemesan budi”), nu matak tuluy mageuhan ayana undak-usuk dina basa Sunda kalayan alesan undak-usuk teh tanda silih hormat jeung silih ajenan. Upamana R. Momon Wirakusumah jeung |. Buldan Djajawiguna dina buku Kandaga Tatabasa (citakan {I, 1962) nyebutkeun:

"Aya nu boga sangkaan, yen kiwari dina jaman demokrasi, ku sabab jelema sarua hakna, basa ge kudu sarua bae nu dipake ku unggal jelema teh, nya. eta basa kasar.

Tapi ari rereana mah pamadeganana teh lain kitu:

Tetela hakna unggal jelema di nagara demokrasi kudu Sarua, tapi ku sabab sarua hakna tea, kudu silih ajenan, silih hormat deuih. Ari dina basa Sunda, pikeun ngajenan sarta ngahormat batur teh nya eta basa lemes.” (k. 9).

Dina pedaran satuluyna, angger bae mageuhan aturan undak-usuk basa anu geus diajarkeun di sakola-sakola dina jaman samemeh perang. Sanajan geus henteu dibagi jadi lima (cara anu disebut ku R. Satjadibrata dina Kamus Sun- -da), tapi basa Sunda ku R. Momon Wirakustumah jeung I. Buldan Djajawiguna dibagi jadi opat: 1. Basa Kasar anu diusulkeun sangkan diganti ngaranna jadi basa wajar atawa basa foma;

2. Basa Panengah: "dipakena ka batur nu sahandapeun, pikeun nyaritakeun sasama anu henteu loma atawa sahandapeun”, dina conto: nyarita ka panyawah;

3. Basa Sedeng nya eta basa lemes pikeun nu ngahormat;

A. Basa Lemes anu cenah dipakena ka saluhureun jeung ka nu tacan wawuh, atawa nyaritakeun saluhureun.

Ku sabrehan oge katingal, yen tahap-tahap basa Sunda dina buku pangajaran anu disusun 17 taun sabada Indonesia merdeka teh, masih mageuhan undak- usuk basa samemeh perang. Ngan basa lemes pisan anu biasana digunakeun keur dalem anu leungit teh, da dalemna oge ayeuna mah jadi bupati, anu dipilih sacara demokratis (formalna mah).

Kitu deui anggapan yen ngahormat batur teh ngan ku basa lemes cara anu ditulis ku R. Momon Wirakusumah jeung I. Buldan Djajawiguna dina eta buku, ngan nembongkeun yen duanana katalikung ku kabiasaan anu geus nyampak tumuwuh dina sistem undak-usuk basa. Ku lantaran geus biasa ngahormat make basa Jemes, luyu jeung undak-usuk basa anu didpalkeun ti barang keur murangkalih keneh, aranjeunna lali yen bisa bae ngahormat bari jeung henteu

70 [ 71 ]kudu ngagunakeun basa lemes, cara anu ilahar dina basa-basa lian di dunya salian ti dina basa Jawa jeung Sunda jeung bisa jadi sawatara basa lianna.

Tur sanajan ngaku yen di nagara demokrasi mah jelema teh sarua hakna, tapi dina waktu mere conto ngeunaan basa panengah, aya conto nyarita ka panyawah ku lain basa lemes. Padahal tamun enya nganggap manusa sarua mah hak jeung harkatna, tur nganggap yen basa pikeun ngahormat teh basa lemes, naha atuh lain ngagunakeun basa lemes? Ieu ngan netelakeun yen sanajan ngaku oge dinamasarakat demokratis mah manusa sarua hakna, tapi R. Momon Wirakusumah jeung IB. Djajawiguna nganggap panyawah mah leuwih rendah manan wadana.

Hartina aranjeunna dina jero-jerona mah masih ngabeda-bedakeun jelema nurutkeun fungsi sosialna ku merenahkeun basa atawa kekecapan anu khusus pikeun masing-masing golongan. Hartina: henteu enyaan demokratis!

Nepi ka kiwari sigana sikep jeung cara anu digunakeun ku R. Momon Wirakusumah jeung I. Buldan Djajawiguna teh masih lumangsung dina pangajaran basa Sunda di sakola-sakola. Dr. Yus Rusyana anu tina yuswana mah tangtu henteu kungsi ngambeu sakola di jaman kolonial, dina pedaranana "Pemakaian Variasi Bahasa Sunda” anu dimuat dina Pendalaman Bahan Pelajaran Bahasa Sunda di Sekolah Dasar (1981/1982) nyebutkeun:

"Pada masa lalu, pemakaian undak-usuk misalnya, mencerminkan pemakaian bahasa Sunda yang berkaitan dengan lapisan sosial masyarakat Sunda pada masa itu" (k. 153).

anu tuluy dina waktu nerangkeun naon hartina undak-usuk, netelakeun yen:

"Undak-usuk basa adalah pemakaian bahasa dengan mempertim- bangkan pemilihan kata halus dan kasar untuk menyatakan penghormatan. Penghormatan itu dikubungkan dengan posisi pembicara atau orang pertama, posisi orang kedua yang diajak bicara, dan posisi orang ketiga yang dibicarakan. Dengan kata lain, untuk menyatakan penghormatan itu dalam bahasa Sunda digunakan variasi tertentu, yang cirinya terutama tampak dalam pemilihan kata-kata."

Tetela yen anu dipimaksud ku ”posisi” dina eta wangenan teh, lain posisina dina kalimah, tapi posisina di masarakat, hartina posisi sosial. Jadi masih keneh merhatikeun (= narima) ayana panta-panta sosial anu dibedakeun ku basa anu dipakena.

Pedaran Dr. Yus Rusyana kitu teh, luyu jeung Garis-garis Besar Program Pengajaran (GBPP) basa Sunda, anu memang masih mentingkeun undak-usuk basa dina tujuan instruksionalna, upamana bae:

1.5. Murid memiliki pengetahuan dasar tentang undak-usuk bahasa sebagai landasan untuk mendengarkan;

4.6 Murid memiliki pengetahuan dasar.tentang undak-usuk bahasa sebagai landasan berbicara;

7.6 Murid memiliki pengetahuan dasar tentang undak-usuk bahasa sebagai [ 72 ]landasan untuk membaca;

10.5 Murid memiliki pengetahuan dasar tentang undak-usuk bahasa sebagai landasan untuk mengarang.

Jadi memang kiwari oge para murid anu dialajar basa Sunda teh masih keneh diwewelan ku undak usuk, kalawan alesan undak-usuk basa teh perelu pikeun silih hormat, silih ajenan. Padahal cara anu geus dituduhkeun di luhur, saenyana mah masih ngabeda-bedakeun tingkat-tingkat sosial jelema ku ngagunakeun basa anu beda-beda pikeun masing-masing tingkatan.

Sidik nu kitu mah pasalia jeung asas demokratis anu aya rengkolna dina Undang-undang Dasar.

Pangajaran basa Sunda

Nya ku lantaran soal undak-usuk basa masih jadi bagian penting tina pangajaran basa Sunda, tur anggapan nu kacida ngarendahkeunana ka sing sakur anu henteu bener ngalarapkeun undak-usuk (geuning HIB Djajawiguna oge nyaurkeun yen keur anjeunna mah tacan “hatam” urang Sunda nu jadi sarjana naon bae oge ari basa Sundana tacan bener nurutkeun aturan undak usuk mah), nya rea anu hoream atawa ”sieun” nyarita atawa nulis dina basa Sunda, da anggapanana basa Sunda teh "hese.” Nu matak mending dina basa Indonesia bae, da make basa Indonesia mah sanajan ramijud oge henteu dianggap hina, euweuh anu nyalahkeun. Dina ayana nu nyalahkeun (para ahli basa), keun bae da reaan ieuh anu salahna oge, dalah para gegeden eselon pang luhurna oge basa Indonesiana rea anu ramijud!

Ngabandingkeun basa Sunda anu kudu diulik kalayan temen wekel, ulah kumeok memeh dipacok, kana basa Inggris anu oge hese, cara anu dilakukeun ku F. Djajasudarma Idat A., henteu merenah ku hiji ku dua.

Kahiji, henteu aya motivasi pikeun diajar basa Sunda anu sarua kuatna jeung pikeun diajar basa Inggris. Upamana dosen-dosen jurusan basa Sunda Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran enya-enya dialajarna basa Inggris da hayang asup kana program doktor anu merelukeun pisan basa Inggris; ari diajarna basa Sunda mah cukup minangka obyek ulikan bae. Yen masarakat Sunda kiwari leuwih mentingkeun basa Inggris, lain bae ku lantaran basa Inggris mah jadi pangajaran penting di sakola-sakola ti Sekolah Menengah ka luhur, tapi oge ku dug-degna keurseus-keurseus basa Inggris. Ari sababna ku lantaran aya anggapan yen lamun bisa cas-cis-cus basa Inggris, baris leuwih, babari meunang gawe, baris diajenan leuwih luhur ku nu lian, baris leuwih luhur gajihna manan anu henteu bisaeun basa Inggris, jeung sajabana. Sabalikna, keurseus basa Sunda mah dina ayana oge, paling-paling hiji-dua, tur eta teh biasana mah pikeun urang Sunda anu sanggeus tinemu bagja dina kahirupan masarakat, ngadadak eling ka wiwitan; jadi ngan ukur "mulangkeun panineungan.”

Kadua, basa Inggris mah basa deungeun. Urang henteu boga hak pikeun ngarobah atawa ngatur basa Inggris. Urang ngan bisa "take it or leave it”. Lamun ngarasa butuh, nya kapaksa digayem sakumaha ayana, kaasup sagala aturan ngeunaan tenses. Tapi ari basa Sunda mah pan anu urang. Urang, komo deui [ 73 ]para ahli basa, miboga lolongkrang pikeun milu nangtukeun poe hareup basa Sunda. Cara anu kungsi dipedar dina makalah kuring tea, DK. Ardiwinata. R. Soeria di Radja masing-masing dina jamanna geus ngagunakeun eta lolongkrang nepi ka tapakna masih ngendat nepi ka kiwari, masih pageuh dicekelan ku para ahli basa Sunda jaman kiwari, antarana nu mangrupa undak-usuk basa.

Tur ku barobahna dasar-dasar pakumbuhan Sunda kiwari anu jadi bagian ti hiji Indonesia merdika anu demokratis, aya kabutuh pikeun ngaluyukeun basa Sunda lulugu anu diajarkeun di sakola-sakola, anu tina sajarahna oge geus tetela disusun, "dijieun" dina mangsa pakumbuhan Sunda feodal tur kolonial. Pikeun jalma-jalma anu geus katalimbeng ku pangajaran basa Sunda cara anu geus lumangsung dina jero kira-kira saratus taun, memang genah bae nu aya. Tapi pikeun rereana urang Sunda sigana (kuring ngagunakeun'kecap ”sigana” sabab ngan dumasar kana kesan, lain hasil panalungtikan anu taliti) basa Sunda lulugu anu diajarkeun' di sakola-sakola teh memang hese, nepi ka ngarasa henteu wani nyarita dina basa Sunda. Urang ulah sugema ku.nenjo angka-angka statistik dumeh jumlah urang Sunda kiwari leuwih rea manan taun 1930 atawa samemehna, bari nganggap yen kabehanana masih keneh ngagunakeun basa Sunda. Lamun kitu, sarua bae jeung sugema ku jumlah, kuantitas, bari jeung henteu merhatikeun kualitas. Sabab, bisa jadi eta urang Sunda anu 22 juta teh ayeuna oge masih keneh nyararita dina basa Sunda, tapi kumaha saenyana kamampuhna dina ngagunakeun basa Sunda, komo anu make undak-usuk mah? Apan paranakan Cina oge di urang rea anu ngagunakeun basa Sunda dina kahirupanana sapopoe, tapi lain basa Sunda anu diajarkeun di sakola-sakola make buku anu disusun ku Drs. Idat A.

Palebah dieu, karasa henteu merenahna sanggahan ti Saini KM anu nyebutkeun yen lamun urang Sunda rek ngarobah basa Sunda (nya eta ngarobah soal undak-usuk basa) meureun urang Jerman oge bakal usul ngaleungitkeun kasus-kasus, urang Inggris baris usul sangkan tenses jeung conditional dileungitkeun, urang Perancis baris ngaleungitkeun feminin-masculin dina kecap barang jeung kecap gawe.

Fungsi undak-usuk dina basa Sunda, beda jeung fungsi tenses katut conditional dina basa Inggris, kasus dina basa Jerman, ayana feminin-masculin dina basa Perancis (jeung basa Jerman deuih). Cara anu geus dipedar dina makalah kuring tea, ayana undak-usuk dina basa Sunda teh kakara beh dieu, sabada pakumbuhan Sunda nyosok jero ku jiwa feodal, nurutkeun urang Mataram bari dihucuhkeun ku Walanda anu kolonial. Jadi asupna undak-usuk basa Sunda aya patalina jeung parobahan ajen-inajen pakumbuhan, anu tadina demokratis jadi feodalistis. Ari tenses katut conditional, dina basa Inggris, kasus dina basa Jerman, feminin-masculin dina basa Perancis mah tumuwuh ti barang lahirna eta basa, jadi sipatna henteu kapangaruhan ku ayana parobahan sosial di jero pakumbuhan anu ngagunakeun eta basa.

Masalahna ayeuna, sabada urang Sunda sabilulungan ngahiji di lingkungan bangsa Indonesia anu merdika tur nganut paham demokratis, naha basa Sunda [ 74 ]anu mentingkeun undak-usuk teh baris terus digugulung, sanajan ayeuna mah geus dibebenah sangkan genah ku disebutkeun yen undak-usuk teh lain manifestasi kafeodalan, tapi ngan pikeun silih hormat jeung silih ajenan bae.

Salian ti eta barudak Inggris di Inggris jeung Amerika atawa di nagara sejen anu ngagunakeun basa Inggris, urang Jerman di Jerman, urang Perancis di Perancis atawa nagara sejen anu ngagunakeun basa Perancis, teu bisa lian ti kudu ngagunakeun eta basa sakumaha hesena oge. Beda jeung barudak Sunda di tatar Sunda. Maranehna salian ti bisa ngagunakeun basa Sunda, oge bisaeun make basa Indonesia, malah ka beh dieunakeun mah, komo deui urang kota, leuwih genah nyarita ku basa Indonesia manan ku basa Sunda. Jadi lamun maranehanana ngarasa hese ngagunakeun basa Sunda, nya nyarita dina basa Indonesia, tur sacara sosial, bisa basa Indonesia leuwih luhur ajenna manan bisa basa Sunda.

Lamun ngagunakeun basa Indonesia, barudak Sunda teh baris ngarasaeun leuwih basajan da henteu make panta-panta, henteu make undak-usuk, leuwih demokratis. Sabalikna lamun ngagunakeun basa Sunda maranehanana kudu salilana ngingetkeun undak-usuk cara anu kungsi diajarkeun di sakola. dina buku-buku pangajaran basa, pangpangna lamun kudu nyarita jeung anu saluhureun atawa anu henteu wanoh. Da ari nyarita jeung pada baturna mah, anu sapantar boh di pangulinan boh di sakola, tara ngagunakeun undak-usuk basa. Pikeun Justrasi itung-itung ngabandingan ilustrasi Saini KM anu cenah salilana ngagunakeun basa lemes bae sanajan ka nu sahandapeunana (boh kalungguhan sosial boh umurna). kuring inget ka barudak urang Bandung anu umurna antara 20-25 taun anu keur ngalumbara di Jepang. Ana kabeneran nganjang ka kuring, jeung pada baturna rageg nyararita ku basa Sunda, anu cek istilah undak-usuk mah kasar atawa cohag pisan, make kecap "aing", "maneh" sacara laluasa. teu aya bedana ti jenatna Jo Han Beng ana cacarita jeung Eli. pamajikanana dina basa Sunda. Tangtu maranehanana teh (barudak nu ti Bandung tea) basa di sakalana kungsi dialajar basa Sunda, da cenah salilana sakola di Bandung nepi ka tamat SMA. tangtu basa Sunda nu make undak-usuk tea tur kolot-kolotna urang Sunda. Tapi bet taya pisan tapakna. Ana kabeneran rek indit nya permisi ka kuring, pokna: "Pa, abdi angkat!” ngeunah bae. Ku kuring oge henteu digarah-geureuh ieuh.

Enya, kana mamaras rasa kuring oge sakuringeun, kecap "angkat" di dinya teh henteu genah. Tapi eta mah ku lantarari kuring ti leuleutik geus dipapatahan jeung geus biasa nganggap yen kecap "angkat” mah jang juragan atawa bapa, ari jang sorangan mah kudu "mios". Maranehanana oge sigana lain ku lantaran henteu kungsi diajar ngeunaan eta, tapi bisa jadi pohoeun, atawa bisa jadi nganggap kecap “angkat” leuwih hormat manan "mios", jadi leuwih merenah.

Tapi eta oge ngagainbarkeun kabingungna dina milih kecap-kecap anu merenah cek undak-usuk basa.

Kuring henteu terang naha basa Sunda anu digarunakeun ku eta barudak teh geus umum di Bandung atawa henteu. Lamun geus umum, hartina sanajan sakola [ 75 ]ngajarkeun undak-usuk basa, masarakat mah dina seuhseuhanana milih basa sorangan.

Basa Sunda jeung Basa Indonesia

Beni Setia dina tulisanana, nyebut kuring kaliru ku lantaran ngiritik rumusan GBHN Tap MPR Nomor 11/MPR/1983, sabab cek anjeunna eta rumusan teh merenah, luyu jeung rumusan Undang-undang Dasar anu aya patalina jeung soal kabudayaan katut basa daerah. Cek anjeunna ”sacara hipotesis, pangaturan masalah kabudayaan jeung basa dina mangsa ngarumuskeun UUD 1945 pinuh ku karengkengan pulitik kadaerahan. Alhasil mangrupa hasil diplomasi pulitik, hasil kompromi politik anu diatur summir lakar nyugemakeun sarerea.”

Bisa jadi eta sangkaan teh bener sacara hipotesis mah, komo lamun ditingalna tina kaayaan kiwari. Tapi sacara historis henteu aya bukti-bukti anu nuduhkeun yen dina waktu nyusun Undang-undang Dasar masalah basa nasional jeung basa daerah geus nimbulkeun ”karengkengan pulitik”. Lamun ku urang dititenan laporan sidang Chuoo Sangiin anu ngabadamikeun soal-soal kamerdikaan Indonesia, di dinya katingal yen henteu aya ”karengkengan politik” ngeunaan basa, boh basa nasional boh basa daerah. Kitu deui ngeunaan kabudayaan. Nu rame mah soal Islam.

Yen rumusanana summir pisan, eta mah ku sabab dina waktu nyusunna sarerea nganggap yen undang-undang dasar (konstitusi) anu harita disusun ngan pikeun saheulaanan (sementara) bae. Ari nu matak nepi ka kiwari masalah kabudayaan jeung basa tacan aya undang-undangna anu ngatur leuwih tetela, ku sabab sabada diproklamasikeun, nagara Republik Indonesia teh langsung ancrub kana revolusi fisik. Dina kaayaan kitu mah, masalah kabudayaan jeung basa, dianggap bisa diengkekeun sanajan masih dina taun 1948 di Magelang geus diayakeun Kongres Kebudayaan anu munggaran, anu dihadiran ku Presiden Soekarno jeung Wakil Presiden Muhammad Hatta.

Sabada rengse revolusi fisik dina taun 1951 Undang-undang Dasar 1945 diganti ku Undang-undang Dasar RIS, saterusna masih dina taun 1950 keneh, diganti deui ku Undang-undang Dasar Sementara. _ Kakara dina taun 1959, UUD 1945 didekritkeun deui. Tapi kaayaan dina taun 1959, geus kusut ku masalah pusat jeung daerah anu gede pangaruhna kana anggapan ngeunaan kabudayaan jeung basa daerah.

Dina mangsa revolusi fisik, timbul "negara-negara bagian” anu saenyana mah didalangan ku Walanda, anu harita digubernurjendralan ku van Mook. Eta "negara bagian” (kaasup Nagara Pasundan) angkeuhan Walanda mah diadegkeunana teh pikeun ngepung Republik Indonesia nu harita ngungsi ka Yogyakarta. Nepi ka timbul anggapan negatif di kalangan Republikein kana sipat “kadaerahan” da diidentikkeun jeung "nagara bagian” anu mangrupa boneka Walanda-van Mook tea.

Jigana nya ti harita timbulna Sumpah Pemuda anu kaliru, nya eta perkara basa, anu kuduna "Kami putra-putri Indonesia menjungjung tinggi bahasa persatuan, [ 76 ]bahasa Indonesia” jadi "Kami putera-puteri Indonesia mengaku berbahasa satu, bahasa Indonesia” “(perkara ieu kuring nyieun koreksi dina taun 1977, dimuat dina Kompas, ti harita versi Sumpah Pemuda anu timbul deui; sanajan nepi ka kiwari masih keneh bae rea anu kaliru).

Jadi tetela, ayana anggapan negatif kana sagala rupa hal anu sipatna ”daerah”, kaasup kabudayaan jeung basana, nya ti mimiti harita. “Daerah” diaduhareupankeun jeung ”nasional”, padahal samemehna anggapan kaya kitu teh beunang disebutkeun henteu aya. Katambah-tambah dina pertengahan taun 1950-an timbul gerakan-gerakan daerah, anu saenyana mah mangrupa gerakan-gerakan perwira menengah anu jadi panglima di sawatara daerah kalawan alesan pikeun ngawangun daerahna masing-masing, ngayakeun kagiatan dagang ku jalan barter. Waktu pamarentah pusat ngahalangan maksudna tea, tuluy bae ngabarontak bari jeung nyenyered kaom politisi oposisi. Puncakna pisan nya diproklamasikeunana Pemerintah Revolusioner Republik Indonesia (PRRI) anu terus ditumpes ku APRI (Angkatan Perang Republik Indonesia). Gerakan-gerakan daerah teh tangtuna oge beuki mere gambaran negatif bae kana kecap “daerah”.

Kuring rada panjang medar eta hal, sangkan ulah aya anu boga gambaran salah, nganggap yen masalah kabudayaan jeung basa daerah geus jadi isyu anu nimbulkeun “karengkengan pulitik” dina waktu nyusun UUD 1945.

Ku lantaran kitu dina nyurahan kekecapan.anu aya rengkolna dina UUD ngeunaan kabudayaan jeung basa daerah, urang ulah kapangaruhan ku kontroversi pusat-daerah anu timbul beh dieu. Nya eta pisan sababna kuring nyebutkeun yen rumusan GBHN Tap MPR Nomor 11/MPR/1983 teh papalingpang jeung eusi UUD.

Henteu mustahi! eta teh disababkeun ku lantaran para anggota MPR anu nyusun eta rumusan kapangaruhan ku ayana kontroversi pusat-daerah anu timbul beh dieu. Atawa ku lantaran aya anu hayang maksakeun kahayangna sorangan ngeunaan kabudayaan jeung basa daerah dina hubunganana jeung kabudayaan katut bahasa nasional. Kawajiban urang sarerea anu sadar kana cita-cita mulia anu jadi tujuan para bapa anu ngadegkeun nagara urang tea saperti anu aya rengkolna dina UUD, ngajaga sangkan dina prakna ulah mengpar tina tujuan anu asal.

Cara anu kungsi ditulis ku kuring sawatara taun ka tukang, rumusan Undang-undang Dasar ngeunaan kabudayaan jeung basa teh, saenyana mere tempat jeung fungsi anu leuwih penting kana kabudayaan jeung basa daerah (tingali makalah "Pengembangan Bahasa Daerah”, dina Seminar Politik Bahasa Nasional, jeung "Kedudukan Budaya dan bahasa daerah”, duanana dimuat dina Pembinaan Minat Baca, Bahasa dan Sastra, 1983: 139-155 jeung 233-237).

Tapi kamekaran basa Sunda henteu gumantung ka pamarentah bae; malah pangpangna mah gumantung ka urang Sunda anu mibandana. Gambaran surem Beni Setia baris sirna lamun aya sarjana Sunda anu nuliskeun elmuna dina basa Sunda. Upamana lamun Prof. Dr. DA Tisnaamidjaja nyerat ngeunaan mikrobiologi, Prof. Drs. A Sadali nyerat ngeunaan senirupa, Prof. Dr. Ir. AM Satari nyerat ngeunaan tatanen, Ir. A Noe'man nyerat ngeunaan arsitektur, Dr. Rudy Sjarif Sumadilaga nyerat ngeunaan farmakologi, Dr. Ateng Sjafruddin ngeu[ 77 ]naan elmu pamarentahan, Dr. Suhardja Wiramihardja ngeunaan astronomi, jeung para sarjana lianna dina widangna masing-masing. Hanjakal nepi ka kiwari anu katingalna aya katineung pikeun nyeratkeun elmuna dina basa Sunda teh ngan Tatang Suganda SH anu sok ngabahas soal-soal hukum.

Basa Sunda moal bisa leuwih maju sanajan pamarentah mere lolongkrang anu leuwih jembar oge, ari urang Sundana sorangan henteu boga katineung pikeun ngagunakeun basa Sunda dina sagala widang kahirupan modern mah. Piraku basa Sunda anu sok jadi kareueus urang Sunda teh ngan ukur bisa dipake heureuy jeung batur salembur bae, henteu bisa dipake ngabahas elmuning tatanen elmuning tatanen acan? Ongkoh geus rea sarjana tatanen (boh Ir, boh doktor, boh profesor) urang Sunda teh, tapi teu aya hiji-hiji acan anu nganggap perelu nuliskeun elmuna dina basa Sunda. Padahal! urang Sunda teh kasebut ”agraris”, anu tangtu aya patalina jeung hal tani.

Sabalikna pamarentah moal bisa ngahalangan kamajuan basa Sunda lamun urang Sunda ngamajukeun basa daerahna ku jalan narulis dina eta basa, nerbitkeunana ongkoh. Piraku urang Sunda anu jumiahna geus nimbulkeun kareueus sarjana basa cara F. Djajasudarma Idat da geus aya 22 juta, eleh ku basa Armenia anu ngan dipake ku kira-kira dua juta jalma, sabab eta basa mah lain bae bisa dipake nulis karya sastra, ngababar agama, jadi panganteur di SD, tapi dipake nulis rupa-rupa elmu, dipake jadi basa panganteur nepi ka Universitas (anu harita bisa dipake ngabahas sagala rupa elmu modern), miboga lain bae majalah tapi oge surat kabar tur lain ngan hiji!

Basa Sunda anu leuwih basajan jeung demokratis

Lamun basa Sunda hayang jadi basa anu bisa dipake pikeun nuliskeun paelmuan anu modern, teu bisa henteu kudu dibasajankeun jeung kudu leuwih demokratis, Dimimitian ku basa anu diajarkeun di sakola-sakola.

Ari anu diajarkeun di sakola-sakola tea, nya basa lulugu, basa standar. Merenah lamun basa lulugu, basa standar, leuwih basajan, leuwih lugas, leuwih logis, leuwih praktis.

Tangtu di sagigireun basa lulugu teh, aya rupa-rupa ragam basa anu bisa dipake nurutkeun situasi jeung tempatna. Anu angger hayang nerapkeun undak-usuk basa di lingkungan kulawargana, nya hempek teh teuing. Anu rek ngagunakeun basa lemes bae, boh ka tukang kebon boh ka tukang balon, kitu deui ka nu ngemis jeung nu kulimis, teu aya halangan. Sabalikna anu resep make basa anu cek dedengean nu biasa kana basa lemes mah garihal, lamun nganggap eta basa nu leuwih merenah dipake ku manehna di lingkunganana, nya teu nanaon.

Dina prinsipna kecap-kecap bisa dipacarukkeun, hartina boh kecap basa lemes, basa kasar, basa sedeng, dianggap sinonim bae. Ngan pikeun ngahormat, hartina ngan pakeeun ka nu lian bae, pisahkeun sawatara kecap anu khusus, upamana anu asalna tina basa lemes kayaning kecap ”angkat”, ”bumi”, ”linggih”, "sumping”, "tuang”, jeung sajaban . Eta kecap ngan pikeun dipake keur ka nu lian bae, henteu meunang dipake ku sorangan. Contona: [ 78 ]”Dupi bapa angkat ka mana?” atawa ”Ari bapa angkat ka mana?”

"Iraha Ocim aya di bumi?” atawa ”Di mana bumi teh?”

”Ari linggih di mana?” atawa ”Taun sabaraha linggih di Sumedang?” atawa ”Ulah di dinya atuh, di dieu geura linggihna.”

”Hamid, geus tuang?” atawa ”Tuang heula atuh, samemeh angkat,” jeung sajabana.

Tapi eta kekecapan teh enyaan dipake pikeun silih hormat, jadi dipakena henteu nenjo kalungguhan atawa posisina di masarakat. Hartina boh ka panyawah boh ka wadana, kecapna kudu sarua, ulah ari ka panyawah make kecap ”mulang” ari ka wadana make kecap ”mulih”.

Hadena jumlahna ulah rea teuing, bisa jadi saratus teh geus loba. Tangtu para ahli anu kudu milihan kecap naon bae anu perelu dianggap basa hormat teh.

Salian ti pakekeuneun ka nu diajak nyarita, kecap-kecap eta bisa oge dipake pikeun jalma-jalma anu memang hormateun sarerea.

Dumasar kana eta konsep kudu disusun buku pangajaranana pakeeun di sakola-sakola. Kitu deui buku pikeun cecekelan guru.

Tangtu basa Sunda anu kitu teh moal kamanah ku sing saha bae oge anu geus “ngalaman hirup dina alam undak-usuk basa. Saban ngadenge soai ”ngademokrasikeun basa Sunda”, jalma-jalma anu geus biasa mikir dina raraga undak-usuk, sok otomatis malikkeun bari nanya: Lamun rek disatahapkeun basa Sunda teh, nu mana nu rek dipake abdi dahar, abdi neda, abdi tuang, abdi ngalebok? Bari jeung alam pikiran jeung rasa basana sorangan katalian ku kabiasaan undak-usuk anu nganggap kecap ”dahar” leuwih lemes manan kecap "ngalebok”, kecap ”neda” leuwih lemes, ngan bisa dipake ku abdi; ari tuang” basa lemes ngan keur jalma hormateun (baretona mah ngan jang menak). Lamun henteu katalian ku kabiasaan alam undak-usuk; tangtu kecap dahar, neda, tuang, ngalebok teh netral. Rasa basa anu aya di masarakat nu ngagunakeun basa Sunda, boh ku pangaruh tempat (dialek) boh ku pangaruh atikan atawa lingkungan (sosiolek), engkena baris milih sorangan kecap mana anu dianggap pangmerenahna, Ngan dina pangajaran di sakolas upamana, ditetepkeun yen kecap 'tuang' mah jang ngahormat nu lian bae, henteu beunang dipake keur sorangan.

Lamun urang nitenan rancangan pangajaran basa Sunda cara anu kagam- barkeun dina Pendalaman Bahan Pengajaran Bahasa Sunda di Sekolah Dasar tea, anu tangtuna jadi cecekelan ngajarkeun basa Sunda di SD nurutkeun Kurikulum 1975, tetela aya bagian basa anu penting anu henteu diajarkeun, nyaeta idiom. Nu aya ngan pangajara "kabeungharan kecap”, anu ku Dr. Yus Rusyana dina Petunjuk Pelaksanaan GBPP Bahasa Sunda di Sekolah Dasar. (nu jadi bab kahiji dina eta buku Pendalaman) ngan dipake pikeun ngajarkeun:

1. Kata yang terpakai sehari-hari dengan bahan pengajaran:

1.1 Kata nama anggota badan

1.2 Kata nama kekerabatan

1.3 Kata nama binatang

1.4 Kata nama tumbuh-tumbuhan [ 79 ]2. Istilah kebudayaan dengan bahan pengajaran

2.1 Istilah pertanian

2.2 Istilah bangunan

2.3 Istilah kesenian

2.4 Istilah adat

3. Arti kata denotatif dan konotatif, dengan bahan pengajaran:

3.1 Arti denotatif

3.2 Arti konotatif

4. Sinonim, homonim dan antonim dengan bahan pengajaran:

4.1 Sinonim

4.1 Homonim

4.3. Antonim

5. Arti lugas dengan bahan pengajaran:

5.1 Arti lugas

6. Perbandingan kata Sunda dengan Indonesia, dengan bahan pengajaran:

6.1 Kata sama bunyi sama arti

6.2 Kata sama bunyi tidak sama arti

6.3 Kata berdekatan bunyi sama arti (k. 29-30)

Bisa bae disebutkeun yen soal idiom mah kaasup kana ”Arti kata denotatif dan konotatif”. Tapi apan ari idiom mah lain ngan wungkul ”kata” (kecap), sabab sakapeung mah mangrupa kalimah.

Dina pedaran nu sejenna ti Dr. Yus Rusyana, Drs. Wahyu Wibisana, Drs. Abud Prawirasumantri, Drs. Mien Resmana, Drs. Saini KM. oge masalah idiom henteu disigeung-sigeung. Padahal keur sing sakur anu kungsi diajar basa asing, tangtu terang kana pentingna pangajaran idiom. Bubuhan anu nyusun Pendalaman teh rereana sastrawan, atuh pangajaran basa Sunda cara anu dirumuskeun dina eta buku beurat teuing kana sastra, nepi ka aya bagian khusus anu ngajarkeun puisi, anu dina conto-contona palebah dangding jeung puisi modern mah cukup ku beunang Wahyu Wibisana bae kabeh oge, da anu nyusun eta bagian (”Kumpulan warna-warni Puisi Sunda") Wahyu Wibisana ku anjeun! Palebah dinyana mah Wahyu ngan nuluykeun tradisi RI Adiwidjaja jeung MA Salmoen, anu bubuhan pada binangkit ana mere conto dina buku pangajaran teh sok ngadadak ngadamel nyalira!

Kakara ayeuna kaharti naon sababna idiom basa Sunda rea laleungitan, atawa salah dilarapkeunana ku barudak ayeuna, malah ku para wartawan jeung para sastrawan. Kuring inget dina surat kabar Sipatahoenan kungsi aya judul beja ngajeblag: "KAOM WANITA NEMBONGKEUN HUNTU”, meureun terjemahan tina basa Indonesia "unjuk gigi”, awahing wartawan Sipatahoenan henteu terangeun kana idiom “nembongkeun sihung”. Aya carita pondok anu judulna.”Kembang Buruan” tapi eusina nyaritakeun ungkluk, ngan ngagambarkeun yen nu nulisna teu terangeun kana harti idiom “kembang buruan” dina basa Sunda.

Manan dipake pikeun nerangkeun undak-usuk basa, waktu anu kacida samporetna dina pangajaran basa Sunda (ngan 2 jam saminggu), asa leuwih mangpaat [ 80 ]dipake pikeun ngajarkeun idiom, sabab salah sahiji kabeungharan basa Sunda teh nya dina idiomna; tur eta idiom teh baris ngagambarkeun jengglengan kabudayaan Sunda jeung akar pananjeuranana.

Perlu diterangkeun yen anu dipimaksud ku idiom teh nya eta kaasup paribasa deuih.

Pentingna paribasa dina unggal basa, sigana henteu kudu diterangkeun deui, ku kituna leuwih ti merenah lamun asup kana bahan pangajaran teh.

Sakali deui, di dieu kuring rek negeskeun anu kungsi diajukeun dina makalah kuring tea, nya eta: pikeun eta teh perelu hiji kaputusan politik, dina palebah dieu politik basa Sunda, cara baheula pamarentah kolonial Walanda mutuskeun basa Sunda anu make undak-usuk anu baris diajarkeun di sakola-sakola teh, nyaeta basa anu dipake jeung dimekarkeun di kalangan kaom menak anu jadi agen kakawasaan kolonial, lain basa rahayat murba.

Pikeun nepi kana eta putusan politik basa, perelu aya kasadaran jeung kayakinan yen:

(1) Urang Sunda nu hirup di lingkungan Republik Indonesia teh enyaan rek nanjeurkeun demokratis luyu jeung Pancasila (UUD 1945);

(2) Basa Sunda anu make undak-usuk basa teh jijieunan jeung titinggal pangajaran feodal-kolonial anu henteu luyu jeung asas demokrasi;

(3) Modifikasi undak-usuk dina buku-buku pangajaran basa Sunda nu ayeuna aya, saenyana henteu ngarobah dasar-dasarna anu nganggap ayana panta-panta di jero pakumbuhan Sunda (feodalistis); sanajan make alesan pikeun silih hormat jeung silih ajenan;

(4) Basa Sunda anu pinuh ku undak-usuk jadi panghalang sabagian urang Sunda anu rek nyarita atawa nulis dina basa Sunda; tur jadi panghalang basa Sunda pikeun jadi basa elmu (nya eta basa anu bisa dipake ngabahas rupa-rupa elmu modern).

Cag! [ Cover ]POLEMIK UNDAK USUK BASA SUNDA

Naha enya Undak Usuk Basa Sunda teh teu perlu dipalire deui lantaran teu luyu jeung alam demokrasi tur mangrupa warisan jaman feodal?

Dina ieu buku, kalayan tandes Ajip Rosidi nembrakkeun, pamadeganana. Dipairan ku lima tokoh Sunda, Fatimah Idat, Djadja Sargani, Popo Iskandar, Saini KM, jeung Beni Setia. Teu kantun, Dodong Djiwapraja ge nyodorkeun sawanganana sacara gamblang. Kacindekanana moal hamham deui milu ngarojong tarekah urang nanjeurkeun cecekelan, kumaha jeung rek dikumahakeun Undak Usuk Basa Sunda teh dina kamekaran basa jeung kahirupan urang Sunda umumna.***