Mangle: nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto

Ti Wikipabukon
[ Cover ]

MANGLE,


NJA ETA


ROEPA-ROEPA TJARITA
REUDJEUNG TJONTO
,


PIKEUN


PANGKAT KADOEWA DI SAKOLA SOENDA,
BEUNANG NGARANG SARTA BEUNANG NGOEMPOELKEUN
TOEWAN


W. VAN GELDER.






LEIDEN,

DI KANTOR TJITAK TOEWAN P. W. M. TRAP.
1890.

[ Title ]




M A N G L E.





[ Title ]

MANGLE,


NJA ETA


ROEPA-ROEPA TJARITA
REUDJEUNG TJONTO,


PIKEUN


PANGKAT KADOEWA DI SAKOLA SOENDA,
BEUNANG NGARANG SARTA BEUNANG NGOEMPOELKEUN
TOEWAN


W. VAN GELDER.






LEIDEN,
DI KANTOR TJITAK TOEWAN P. W. M. TRAP.
1890.

[ 3 ]

I. OETJING-OETJINGAN.

Dina hidji peuting, měněran keur gěde boelan serta lenglang henteu aja pihoedjaneun, di lěmboer Tjiateul koempoelan baroedak rek aroelin.

Ari anoe panggědena di antara eta baroedak, anak toewakampoeng ngaranna Santa. Manehna ngomong ka batoerna kabeh, pokna:

„He, batoer-batoer! ajeuna hajoe oerang oetjing-oetjingan; oetjing loempat bae make kalang, tapi saha-saha anoe kaloewar tina kalang, eta noe djadi oetjingna.”

Tjek batoer-batoerna: „Hajoe atoeh!”

Toeloej Santa njaloekan batoerna anoe ngaran Apen, pokna: Apen, silaing njokot lěboe, toeloej njijeun kalang, sing djaoeh pangloempatanana sarta kalang boeleudna sing gěde, sabab loba batoer."

Hěnteu koengsi lila kalang geus anggeus. Tjek Santa:

Koemaha make boeboedoegan atawa dibilangan bae?"

Djawab batoer-batoerna: Ah, měnding dibilangan bae, sabab ari koe tjangreud mah, sok teu pati katara, wantoening ti peuting."

„Enja! tjek Santa, keun dewek anoe milanganana, kadarijeu koempoel di loewareun kalang!"

Tidinja pek dibilangan bari noendjoek ka saoerang-sooerang, kijeu oenina: „Tjok, tjang, si, pěntjok, si, katjang, si, niti, anggo, lati, laměta, dening, si, togog. Tah, salaing Asboen, djadi oetjing, hajoh [ 4 ]Pa Kejong: „Lamoen oedjang hajang njaho pětana njijeun goela, hajoe oerang ka imah emang, toeh diditoe!” bari noendjoek ka imahna.

Tidinja bral maranehna ka imah Pa Kejong.



Barang datang, njampak pamadjikan Pa Kejong djeung anakna keur njijeun goela.

Pa Kejong: „Tah kitoe oedjang, mimitina eta lahang diasoepkeun kana ijeu kantjah, toeloej ditaheur sarta make eta tjarangka pikeun tadah boedah. Toeh geuning boedahna wani ngagoelak-goelak naek toeroen.

Lila-lila eta lahang djadi kimpěl, sarta boedahna bejak, toeloej tjarangkana didjait. Barang keur roemamat eta lahang didjait djeung kantjahna, toeloej digoewis sarta dipepes koe moentjang, soepaja djadi kolot.

Barang geus rada tiis, toeloej ditjitak didjijeun gandoean. Sanggeus kitoe, eta goela diboengkoesan koe gěbog toehoer sapoeloeh-sapoeloeh.

Arpin: „Weu, mang, meureun raos těměn goela haneut?”

Pa Kejong: Atoeh poegoeh, soemawonna koekoeroedna mah." Toeloej si Arpin dibere koekoeroedna.

Arpin: „Euleuh, ngeunah koetan ari koekoeroed goela haneut!”

Pa Kejong: „Mangkade bae djang; oelah reja teuing, matak lijeur.”

Arpin: „Sabraha ngadjoewalna dina saboengkoesna ?”

Pa Kejong: „Hih, teu tangtoe, lamoen oesoem ngidjih lima sen, tapi dina oesoem katiga mah něpi ka dalapan sen saboengkoesna.”

Arpin: „Beu, atoeh teu woedoe; meureun emang geus kagoengan loba artos.” [ 5 ]Pa Kejong: „”Geraheun djang, eta doewit ladang goela teh ditoeloejkeun bae ka djoeragan, da įjeu teh lain kawoeng emang sorangan.”

Arpin: „Ari kawoeng ngan woengkoel sok disadap bae, atawa aja deui damělna, mang?”

Pa Kejong: „Atoeh poegoeh aja deui mah. Geura koe ěmang rek diseboetan: indjoekna sok dipake sapoe, tambang, hateup, lělěsan djeung sok dipake boengkoes tihang tjěblok; kawoelna dipake neker, tapi koedoe dipaeh heula. Tjoba oedjang njaho, make naon deui djaba ti kawoel lamoen rek neker ?”

Arpin: „Batoe seuneu djeung ganda-wěsi.”

Pa Kejong: „Enja běněr! Kadjaba ti noe geus diseboet tadi, kawoeng teh aja deui gawena: oepama ditoewar, diala atjina, tangkalna dipake talang djeung barera, haroepatna dipake noelis. Tjoba oedjang, rasa emang lamoen kitoe kawoeng pěrloe katjida dipikanjaäh, sabab mere hasil pirang-pirang ka oerang, tjara noe koe šmang diseboetkeun bijeu.”

Arpin: „Weu, lěrěs pisan sasaoer emang. Mana koering mah, djaga lamoen geus gěde, rek mělak kawoeng djeung rek diadjar njadap tjara ěmang.”

Pa Kejong: „Beu, lamoen oedjang aja manah kitoe, emang ngadowakeun pisan. Tapi koemaha mowal poho deui eta atoeranana njadap teh?”

Arpin: „Lamoen poho deui mah, nja rek nanja deui bae ka emang.”

Pa Kejong: „Tjig atoeh djang geura balik, ĕmang rek njadap geus beurang.”


[ 6 ]

III. MARAK.

Keur waktoe katiga bangět oerang Dago badami djeung batoerna, pokna: „Hajoe batoer-batoer, isoek oerang mararak Tjikapoendoeng palěbah lemboer Bengkok, sabab tjai keur orot.”

Ari isoekna bral arindit: kolot, boedak, awewe, lalaki, datangka lěmboerna rek meh kosong; aja noe manggoel patjoel, aja noe ngadjingdjing linggis, aja noe njoren korang, aja noe ngelek boboko djeung noe mawa ajakan, lambit, gobag, boeboe, soesoeg; sawareh aja noe mawa timběl atawa tjongtjot piběkěleun. Sanggeus daratang ka noe rek diparak teja, toeloej naranjakeun ka noe djadi kokolotna, ngaranna Bapa Moesnah, pokna: ,,Mana heula anoe rek diparak teh, noe ngotjor kakoelon atawa noe ngotjor ka kidoel?

Ari wangsoelna: „Ijeu heula noe ngotjor ka koelon, sabab didinja loba leuwina, tapi koela pepeling ka sakoer noe aja di dijeu: poma-poma pisan oelah gareuwah, sabab laoekna ijeu leuwi gariras naker."

Geus kitoe gěr pada digarawe ngaběndoeng eta waloengan: aja noe matjoel, aja noe noegar, aja noe ngalelempeng, sawareh anoe ngakoetan, noe něrapkeun djeung noe njěsělan anoe botjor.

Tidinja kabeh pada toeroen sarta singkil, gør tjampoeh ngarala laoek; aja noe njair, noe njoesoeg, noe ngalambit, noe kokodok, noe pasang boeboe; sawareh noe nawoean tjai koe gobag; didengekeunana sora tjai patingkoetjoewěk patingsalewoer.

Djalma-djalma paroho kana papatahna Pa Moesnah; tina bawaning soeka ati nendjo laoek tingsoeroewoek tingkotjepat kawas dina balong baé, kabeh pada soe[ 7 ]soerakan; ari pokna roepa-roepa, aja noe njěboetkeun: meunang nilěm, meunang lele, meunang badar, meunang kehkel, meunang beunteur, meunang laoek emas, meunang bogo, meunang běloet, sarta reja-reja deui djaba ti eta.


Katjaritakeun aja hidji boedak ngaranna si Arnan, anak toekang ngala kai, gěgěroengan di sisi waloengan, pokna: „Adoeh! adoeh! koering toeloeng, tjoeroek dipatil lele, njěrina geus dina kelek baé. Toeloej koe Bapa Moesnah dioebaran koe peudjit lele teja sarta bari diomongan: „Tah, koemaha ari kitoe, tjek kami ge tadi geuning oelah sok gareuwah, bisi kitoe.” Harita ge Si Arnan mah toeloej bae balik henteu ngadagoan batoerna heula.

Teu koengsi lila djerit aja deui boedak tjeurik antěp-antěpan, pokna: ,,Alah njěri! alah njěri! ditjapit keujeup!”

„Gegel bae gegel!” omong kolot-kolotna. Toeloej panjapit keujeup teh dikěrěkěb, datangka rěmoek pisan; keujeup ragrag sarta ramona boedak teja gětihan.

Waktoe harita Nini Asněm, anoe geus koerang bireungeuh, miloe njair, tapi teu miloe tjampoer djeung djalma loba, tina sijeuneun kadoepak, njairna toeroet sisi baé. Barang manehna njijoek, aja taroempah kasijoek tjampoer djeung batoe. Pikirna nini-nini teh: tah, taksiran aing meunang laoek gěde. Toeloej batoena dipitjeunan, ana ret nendjo kana taroempah teja, toeloej njaloekan intjoena, pokna: „Oedjang, geuwat kadijeu, nini meunang laoek gěde. (Ana disampeurkeun, lain koe intjoena baé. Tidinja gěr pada [ 8 ]njeungseurikeun bari ngaromong, pokna: „Abong-abong anoe geus teu mireungeuh, taroempah-taroempah dipadjarkeun laoek gěde.” Tapi lila-lila mah karoenjaeun, toeloej pada mere laoek sasiki sewang.

Barang geus teu aja laoekna, toeloej harandjat sarta běndoenganana dibědahkeun djeung toeloej běběrěsih, sawareh toeloej baralik, ari noe sawareh deui maroerak běběkělanana teja nja eta timběl djeung tjongtjot, sarta mariroen seuneu meuleuman laoek bari dahar. Ari keur baralik sadjalan-djalan pada ngaromong silih-bedjakeun beubeunanganana.


IV. NOE RAJOENGAN.

Tasim anak noe beunghar, sakarěpna ditoeroet, wantoening anak sahidji. Dina hidji powe Tasim nendjo batoerna mamawa panggal awi, toeloej manehna menta doewit ka bapana keur meuli panggal tjara kitoe. Gantjangna dibere, toeloej dibeulikeun. Harita Tasim taja deui gawena rek meh beurang peuting ngan njonjoö panggal bae. Lila-lila boseneun, toeloej gagang panggal teh dipotongkeun; kanjahoän koe oewana, tapi diantěp bae.

Tidinja Tasim manggih noe papanahan, manehna hajangeun pisan boga panah, toeloej ngoerihit deui ka bapana menta dipangmeulikeun. Tina njaāhna ka anak koe hapana dipangmeulikeun. Tapi Si Tasim oenggal boga tjotjoöan anjar tara tjeëh rěsěpna teh, ěnja mimitina mah taja deui gawena ngan ngoeroes eta bae. Ijeu oge kana panah teja ngan watěs [ 9 ]doewa tiloe powe resepeunana teh, toengtoengna mah gondewana dipinggěskeun.

Harita kanjahoan deui koe oewana, toeloej dibedjakeun ka bapana, pokna: „Meugeus, eta boedak teh oelah diberean teuing tjotjoöan, sabab sok gantjang diroeksak djeung rajoengan.”

Barang Bapa Tasim ngadenge omong lantjeukna kitoe, toeloej anakna ditjaloekan, pokna: „Tasim kadijeu!” Boedak teh njampeurkeun. Mana panggal djeung panah teh? bapa ngilikan!” Tasim ngabideug bae, tina geus roemasa boga dosa. Disăntak koe bapana bari ditjarekan: „Ajeuna maneh koe aing mowal dipangmeulikeun kaoelinan/lamoen maneh angger sok ngaroeksak bae mah.”


Boedak teh watěs saboelan mah bageur; bapana karoenjaeun deui, toeloej ditjoba dibere doewit keur meuli pibadjoeeun. Tasim toeloej ka pasar rek meuli ĕntjit. Wantoening di pasar loba entjit warna-warna, manehna nendjo ijeu bogoh, nendjo itoe bogoh. Toeloej Tasim noendjoek kana entjit bari ngomong: Tah ti dijeu motong tiloe elo, ti dinja tiloe elo, tapi ari ti ditoe mah doewa elo baè, sabab eukeur tjalana.”

Barang geus dipotong kabeh, ana diitoeng doewitna, ngan mahi pikeun doewa badjoeëun teja bae, zárt keur deewi tjalana mah teu aja. Tasim ngarendjag bari ngomong ka noe boga barang teh, pokna:

„Kang, oelah djadi běndoe, ijeu pitjalanaeun koe koering mowal toeloes dibeuli, sabab teu aja doewitna, satadina koering teh roesoeh teuing, mawa doewit henteu dibilang heula, oedjoeg-oedjoeg leos dibawa ka dijeu bae.” [ 10 ]Djawab toekang barang: „Tah didinjana djalma koedoe asak rampa teh, oelah rasa maneh boga doewit, ijeu hajang eta hajang, ari karoegian batoer teu dioeroes.”

Tidinja Tasim balik ka imahna bari tjoemalimba, tina sabab kawiwirangan, rek menta deui doewit ka bapana.

Naha taksiran maneh dibere atawa mowal? Tatapi tina bageurna Bapa Tasim, toeloej nitahan hidji djalma nganteurkeun doewit pitjalanačun teja, soepaja oelah djadi roegi ka noe dagang. Ari Si Tasim koe bapana disiksa.


V. ANDJANG-ANDJANGAN.

Asněm! keur naon ilaing Asněm?

Teu, kami mah keur noenggoean imah bae.

Na kamana indoeng ilaing?

Keur noetoe indoeng kami mah.

Anggoer oerang andjang-andjangan di bale imah kami.

Ah, tjoemah di ditoe mah, di dijeu di kami anggoer Minah! bari noeggoean imah.

Heug atoeh di dijeu ge.

Tidinja toeloej Si Minah oenggah ka těpas Si Asněm. Tjek Si Asněm: „Ajeuna oerang bari wawaroengan, kami anoe ngawaroengna, ilaing noe meu- lianana, nja Minah!

„Heug,” tjek Si Minah.

Toeloej Si Asnem ngaberes-bereskeun boekoe awi, ngoempoelkeun boeboek taneuh djeung keusik, nejangan për pikeun laoekna, ngala majang djambe mi[ 11 ]nangka bejasna, daoen randoe pikeun minjakna, daoen djati pikeun ketjapna, tjangkang djengkol pikeun tjentongna djeung reja-reja deui daganganana, wantoening rek wawaroengan gěde. Tidinja pek dipětakeun saädat bijasa di waroeng.

Teu lila datang Si Minah mawa doedoewitan tapok toetoet, tapok kejong djeung běling bari ngamong, pokna: „Meuli samběleun noen sapeser, tapi hajang tjabe tjengek, minjak sadoewit, laoek tiloe doewit, kopi sapeser, ketjap doewa sen djeung oeras lima sen, noen.”

„Mangga.” Toeloej koe Si Asněm díladangan, ari minjak ditakěrna koe tjangkang djengkol.

„Meuli ontjom deui noen doewa doewit.” Toeloej koe Si Asněm dibere sěsěmplekan kěnteng opat gěbleg.

Tidinja batang deui batoer oelinna ngaranna Itas, anak tatanggana, rek barangbeuli, omongna:

„Ngagoweng apoe djeung seureuh sapeser noen, angeun tiloe doewit, oejah sapeser. Ari ijeu koeměli sabraha sadoewitna noen?”

„Dalapan,” tjek Si Asněm.

„Hinteu kenging sapoeloeh?”

„Beu! mahal koering meulina ge ti pasar, tapi kadjeun mangga bae tah salapan, sapedah ka baraja.”

Tidinja Itas dibere batoe anoe mareudjeuhna, rejana salapan.

Sanggeus dadagangan toeloej Si Asněm ngandjang ka Si Minah, bari kikiriman. Barang datang ngomong, pokna: „Poenten noen!"

„Rampes, tjalik noen.”

„Mangga.” Toeloej Si Asněm asoep ka imah-imahan Si Minah, bari njodorkeun kikiriman teja sarta ngomong, pokna: Ijeu noen loemajan bae terong sareng katjang.” [ 12 ]„Amboe, make barangkirim, njoesahkeun teuing noen."

„Teu noen, teu njoesahkeun."

Tidinja Si Minah njodoran wadah seupaheun bari ngomong: „Mangga noen ngalĕmar." „Mangga", tjek noe disoegoehan tih. Teu lila disoegoehan ngopi. Omong Si Minah: „Mangga geura ngaleueut, lalawoehna mah teu sae. „Mangga," tjek Si Asněm.

Barang geus rada lila Si Asněm ngomong, pokna: „Poentěn bae koering ijeu noen."

„Mangga, dihatoeranan naon atoeh koe koering noen, sing minděng bae tjalik ka dijeu."

„Mangga noen. Tjing mangga atoeh oerang tjalik ka ditoe."

„Mangga isoek deui noen."

Toeloej Si Asněm balik.




VI. TEJANGAN KĚTJAP-KĚTJAP ANOE MAKE AKSARA NOE DITOELIS DI HANDAP IJEU.

b, b, r, ng, a, a, a = bangbara
s, r, k, ng, a, a, a =
j, l, l, a, a, ng, a =
r, g, g, a, a, a ng, n =
oe, w, r, m a, a =
t, i, a, p, h, oe =
n, l, k, t, oe, e, r =
oe, i, i, s, r, l =
l, k, m, oe, ě, i =
n, n, p, r, tj, a, a, oe =
r, m, b, k, t, a, oe, i, i =
g, ng, l, g, i, oe, oe =

[ 13 ]

VII. KOKOLETJERAN.

Di desa Tjidadap aja hidji boedak ngaranna Si Onah, anak noe tatanen. Eta boedak rěsěpan pisan kana oelin kokoletjeran; koe bapana dipangnjijeunkeun koletjer aloes pisan. Dina hidji mangsa Si Onah rek kokoletjeran, toeloej njampeur ka sobatna ngaran Ibra. Ti djalan keneh manehna geus gěgěroan ka sobatna, pokna: „Bra, oerang kokoletjeran ka těgal euj!”

Barang Si Ibra ngadenge sora sobatna, toeloej manehna nondjol ti imah, loempat bari mawa koletjer, njampeurkeun ka Si Onah.

„Kamana euj kokoletjeran teh?”

„Ka těgal euj!” tjek Si Onah.

„Ah, ka těgal mah ěmboeng, panas, anggoer si oerang ka reuma baé.”

„Hajoe atoeh.”

Tidinja bral eta doewa boedak ka reuma noe aja di sisi desa Tjidadap, mawa tatanggěr salobong? djeung boentoet. Sadjalan-djalan eta doewa boedak soeka-soeka baé, bari hehejotan nangtang angin. Teu lila maranehanana geus daratang. Waktoe harita angin geus ngagělěboeg bae. Si Onah ngomong ka sobatna: „Geura euj, koletjer dewek mah rek ditanggěrkeun itoe dina tangkal poetat. Tidinja gěn koletjer Si Onah ditanggěrkeun, tapi hěnteu daekeun měnit; manehna heraneun pisan, toeloej nanja ka Si Ibra, pokna: „Naha koletjer dewek ajeuna mah teu daekeun měnit? Tjoba noe silaing tanggěrkeun Bra! soegan bae daekeun měnit.” Geus kitoe gěn anoe Si Ibra ditagěnkeun. „Euleuh, naha noe silaing mah daekeun geuning!” „Hih, meureun bae noe silaing mah soegan [ 14 ]hěnteu dipalintjang heula,” tjek Si Ibra. „Tjoba kadijeukeun, oerang mangmalintjangkeun.” Tidinja sok koe Si Onah disodorkeun ka Si Ibra.

„Heh, ajeuna mah geura tanggěrkeun deui,” tjek Si Ibra: geus kitoe toeloej koe Si Onah ditanggěrkeun.

„Toeh, geuning ajeuna mah daekeun měnit, hajoe Onah oerang ka saoeng ngijoehan!”

Bral eta doewa boedak ngarijoehan ka saoeng.




Barang geus aja di saoeng, maranehanana lalangkarakan bari nendjokeun koletjerna. Si Ibra ngomong ka Si Onah:

„Euj, tjoba dengekeun, koletjer dewek mani ngereng-ngerengan bae bari ngadoedoedan djeung tatanggěrna moenggah mělěndong-mělěndong bae, boeboentoetna ngalěmpaj kawas tjetjepet laoek noe keur ngangkang.”

„Geura noe dewek ge sakeudeung deui njěgoek,” tjek Si Onah. „Toeh geura Bra! tendjo tatanggěrna geus mělěndong, meh antěl kana dahan poetat. Djěgoer! Amboeing mani kawas sora bědil bae.” Eta doewa boedak hěnteu kira-kira soekana ngadenge koletjerna disada patembalan. Tina gědena angin koletjer Si Onah ngěboel. Tjek Si Onah: „Euj, Bra! tjoba tendjo itoe baroengboeng koletjer dewek koenaon ngěboel kawas seuneuan.” „Onah, geuwat balikkeun ebegna!” tjek Si Ibra. Toeloej Si Onah loempat njokot gantar, sarta eta koletjer ebegna dibalikkeun, koletjerna ragrag. Barang katendjo koe Si Onah baroengboengna toetoeng, manehna nanja ka sobatna: „Koenaon Bra, baroengboengna toetoeng?”

„Kapan panas, da bongan silaing njijeun baroeng[ 15 ]
boeng teh leutik teuing, da anoe dewek mah hade geuning.”

Kira-kira poekoel tiloe, toeloej eta doewa boedak baralik. Di djalan leumpangna ajang-ajangan, wantoening djeung sobat dalit; waktoe arek papisah Si Onah ngomong ka sobatna: „Isoekan oerang kokoletjeran deui nja Bra?” „Hajoe,” wangsoelna Si Ibra.

Tjoba ajeuna oerang rek nanja ka moerid-moerid: kai naon anoe sok didjijeun koletjer? djeung kai naon anoe pangaloesna? Sarta ngan kai bae anoe sok didjijeun koletjer teh? Djeung iraha dipakena?



VIII. BOEDAK TJĚTJĚRĚMĚD.

Dina kěbon Bapa Kasim loba pisan tangkal boeboewahan: aja tjaoe, balingbing, djamboe-bol, nangka, djěroek, boewah, manggoe, doekoeh djeung reja-reja deui.

Dina hidji mangsa keur waktoe tangkal boewah keur boewahan, Kasim ditjaloekan koe bapana, pokna: „Hajoe Kasim oerang ngala boewah, tjig menta taradje ka indoeng djeung mawa randjang keur wadahna.” Toeloej boewah teh dipoepoe: aja noe geus arasak sarta galěde djeung aja deui noe aratah keneh.

Si Kasim koe bapana dibere doewa anoe panggalědena. Euleuh Si Kasim atoheun pisan sarta boewah teh dihakan harita bae. Barang geus anggeus moepoena, toeloej baralik sarta boewahna diampihan di pangkeng.

Katjaritakeun Kasim teja boedak bageur, ngan eta sok tjětjěrěměd kana kahakanan. Ari isoekna sabot [ 16 ]
bapana ka sawah djeung indoengna ka pasar, Si Kasim asoep ka pangkeng, njokot boewah lima noe panggědena. Ari pangirana Si Kasim eta boewah teu dibilang anoe matak wani njokot teh. Ari boewahna noe hidji dikandoeng, anoe opat deui disoempoetkeun handapeun anggělna.

Tina liwat saking beukina kana boewah, Kasim toeloej ka pipir leuit ngadon ngahakan boewah anoe dikandoeng teja. Tina ngeunahna manehna asoep ka imah rek njokot hidji deui, tapi teu toeloes, sabab bapana kaboeroe datang.




Barang gok ge amprok, bapana geus njahoeun bae, jen Kasim měntas ngahakan boewah, sabab katara dina leungeunna lamokot keneh, soengoetna koneng sarta mělěngsěng baoena, tapi bapana api-api teu njahoeun bae.

Geus kitoe Si Kasim bidjil, toeloej bapana asoep. ka ěnggonna, sarta boewah teh kapanggih handapeun anggělna.

Ari sorena keur waktoe dadaharan, Kasim ngan dibere boewah bae, anoe beunang bapana njokot tina handapeun anggělna teja.

Isoekna nja kitoe deui bae, samemeh bapana ka sawah, dadaharan heula, tapi Si Kasim teu dibere deui bae sangoe, ngan diasoran boewah woengkoel, menta oge sangoe teu dibere.

Děmi sorena nja kitoe deui bae, ngan disodoran boewah, tapi hěnteu dihakan, sabab koe boewah mah geus seubeuheun, hajangeun soteh sangoe. Tina sabab peuriheun beuteungna hajangeun njatoe, toengtoengna tjeurik. [ 17 ]Tjek bapana: „Tah! ajeuna mah karasa koe silaing, mana ari djadi boedak oelah barangtjokot sakoemaha karěp, lamoen hěnteu karana aja idin kolot, da ěngke ge mo boeroeng dibere sarta dimeudjeuhnakeun. Geuwat ajeuna eta boewah bawa ka oeroetna tadi!”

Kasim eraeun katjida doemeh dosana kaboeka, toeloej boewah teh diteundeun deui ka pangkeng. Tidinja Kasim dibere sangoe, dititah njatoe sakarěpna, tapi dadaharanana ngan saeutik, sabab eraeun keneh.




IX. DJANGKRIK.

Di lěmboer Tjidoerian loba pisan baroedak anoe keur mareudjeuhna keneh rěsěp oelin. Isoek-isoek maranehanana arindit ka sawah rek narejangan djangkrik, gawena tingkaroreh dina djoekoet: aja noe meunang djangkrik tatamboeran, aja noe meunang djangkrik tiktikěr, djeung sawareh aja noe meunang djangkrik bawang. Toeloej koe maranehanana dipangalakeun kahakanan njaeta gelang djeung aja oge anoe diparaban koe tjabe.

Děmi ditareundeunna dina roewas anoe beunang ngaloes-ngaloes atawa dina kaleng. Tidinja koe baroedak teh gěr diadoekeun dina logak; anoe teu daekeun diadoe koe maranehna dioenda, diarah mabokna. Djangkrik diadoe sarta disada, sawareh aja noe něpi ka simping; baroedak teh soeka seuseurian tjatjalakatakan bari njolokan djangkrikna.

Barang baroedak keur soekan-soekan kitoe, aja goeroe njampeurkeun sarta mariksa: „Eukeur naon baroedak ngarijoeng di dijeu?" [ 18 ]Tjek alona: „Hěnteu, keur ngadoe djangkrik, toeh djangkrik koering mah hěnteu kijeu-kijeu, ari noe Neon mah mani simping.”"

Saoer goeroe: „Beu baroedak, hěnteu hade eta kalakoean maneh kitoe teh. Tjoba maraneh djadi djangkrik, koemaha pirasaeun lamoen disoentroeng-soentroengkeun atawa diapoeng-apoengkeun, sarta toeloej digěloetkeun datangka roeksak awak maraneh? Enja djangkrik lain manoesa teja mah, tapi kaäsoep kana mahloek keneh. Soemawonna eta mah ngadoekeun hajam atawa domba oelah pisan, sabab loba hajam anoe bangkar harita. Kitoe deui domba anoe dipikanjaäh koe maneh sok diadoekeun, něpi ka aja noe poegoer tandoekna, eta teu hade pisan. Naha pantěs barang noe dipikanjaäh koe maneh dinjěnjěri? Lamoen boga domba, hajam atawą poejoeh, anggoer paraban hade-hade.”

Tidinja baroedak teh hěnteu ngaromong deui, sěmoe-sěmoe noe era, toeloej bae baralik.




X. KADOE.

Dina hidji kampoeng aja hidji djoeroe tani mělak boeboewahan roepa-roepa, saperti: kadoe, djěroek paseh, boewah tjěngkir, boewah gědong, kaweni, sawo djeung reja-reja deui.

Oenggal moesim boewahan, eta tatangkalan boewahna sok leubeut pisan, kitoe deui tangkalna harandap djeung dahanna ngarangkadak, sabab mijarana hade sarta keurna leutik keneh, dahanna sok dibeungbeuratan batoe, nja eta soepaja ngarangkadak. [ 19 ]Koetina kaäloesanana eta kěbon, reja pisan menak-menak noe tjaralik kadinja, oepama eukeur ngaronda lěmboer-lěmboer.

Katjaritakeun eta djoeroe tani boga anak doewa: awewe hidji, lalaki hidji; ari tjikalna, lalaki ngaranna Si Dasim, děmi adina Si Saminah.

Si Dasim bangor katjida sarta tara noeroet ka omong bapana, ari Si Saminah mah hěnteu kitoe.

Dina hidji peuting bapana ngomong ka anak-anakna, pokna: „Baroedak, lamoen maraneh rek ka kěbon, poma-poma pisan oelah aroelin di handapeun kadoe, bisi katinggang koe boewahna.” Djawab anak-anakna: „Mangga bapa, sědja diëstokeun pisan.” Tapi ari pamikir Si Dasim, bapana ngomong kitoe teh ngan koe sabab njaäh koe boewahna bae bisi diala, da galěde nakěr.




Ari isoek-isoek samemeh baranghakan Si Dasim ngadjak oelin ka adina ka kěbon.

Djawab adina: „Ah, alim kaka, da eta koering mah tatjan njatoe, djeung kaka mah tara mere boewah.”

Tjek Dasim: „Hih, teu oemoem, ĕngke koe kaka dipangalakeun sing reja.” Geus kitoe toeloej ka karěbon.

Barang datang Si Dasim toeloej ngala djěroek paseh sarta dihakanan diloehoer, tapi ari Si Minah mah teu dibere. Tidinja Si Dasim toeroen rek ngala deui kadoe.

Omong Si Minah: „Kaka, mana koering něda djěroek paseh? Kaka mah hajang seubeuh sorangan bae, ari ka koering mah teu mere.”

Djawab Dasim: „Engke rek ngala kadoe heula!” [ 20 ]Omong Si Minah: „Aeh kaka, geuning saoer bapa oelah ngadeukeutan tangkal kadoe bisi katinggang boewahna.”

Wangsoel Dasim: „Hih, ari boedak bodo, bapa mah ngomong kitoe soteh, lěbareun koe boewahna bae.” Sanggeus ngomong kitoe Si Dasim njokot gantar, toeloej naek kana dahan kadoe noe handap.

Tidinja manehna ngadjoel boewah kadoe anoe panggědena. Tapi, weu, tjilaka: eta kadoe ragragna mapaj gantar, ana ninggang kana beungeutna, Si Dasim ragrag sarta kapaehan.

Si Minah tjeurik bari loempat ka imahna bebedja ka bapana, jen Si Dasim ragrag tina kadoe sarta beungeutna katinggang koe boewahna.

Barang bapana ngadenge omong anakna kitoe, toeloej moeroe ka kěbon, ana ditendjo Si Dasim enggeus ngadjolor, toeloej koe bapana digandong dibawa ka imahna. Ari raheutna djěro pisan, meunang saboelan mah Si Dasim hendeu bisa kaloewar-loewar.



XI. BOEDAK ANGON.

Dina hidji lěmboer aja hidji djalma noe reja moendingna, ngaranna Dipa. Demi pangangonna aja doewa, nja eta Si Bontjel djeung Si Patjet.

Dina oesoem njamboet eta moending saban isoek sok dipake di sawahna atawa disewakeun. Dimana měntas dipake, toeloej diarangon koe eta doewa boedak ka těgal. Lamoen moendingna keur djongdjon njaratoean, baroedak angon teh sarěnangeun, [ 21 ]sakapeung mah naek kana peuteujselong atawa toempak moending bari kakawihan.

Eta doewa boedak sedjen kawihna pada mawa karěp sorangan. Ari Si Bontjel ngawihna bari toempak moending, kijeu pokna:

Doedoekoej pělěntoeng digantoeng, digantoeng dikakaitan.

Koe indoeng didjoeroeng njandoeng, koe bapa ditjeungtjeurikan.

Ari Si Patjet eundeuk-eundeukan dina tangkal djarak barina ngawih, kijeu pokna:

Dengkleung dengdek, boewah kopi raranggeujan.

Mingkeun noe dewek, oelah pati diheureujan.

Djeung loba-loba deui kawihna eta doewa boedak djaba ti eta.

Teu lila Si Patjet ngomong ka batoerna, pokna: „Euj! hajoe oerang njarijeun taleot keur ěngke ari balik." Tjek batoerna: „Hajoe euj!”

Toeloej maranehna ngarala taneuh porang sarta toeloej diěmple-ěmple didjijeun taleot. Tjek Si Bontjel: „Kari njijeun moemoendinganana keur adoekeuneun ajeuna euj!" Tjek batoerna: „Hajoe."

Toeloej maranehanana njarijeun moemoendingan sarta pek diadoekeun. Maranehananana teu kira-kira saroekana, seuseurian tjatjalakatakan.


Barang geus rada bosěneun Si Bontjel ngomong ka Si Patjet, pokna: „Hajoe euj oerang maraling bonteng! Tapi Si Patjet diadjak teh hěnteu daekeun, omongna: „Ah, emboeng dewek mah sijeun kapanggih koe noe boga. Silaing oge oelah euj, bisi ditalian." Tapi Si Bontjel hěnteu daekeun noeroet, toeloej bae maling bonteng. [ 22 ]Barang keur ngala bonteng bari noengtoet ngahakanan, anoe boga bidjil ti saoeng, toeloej ngoedag ka Si Bontjel. Si Bontjel kasoesoel sarta dirangketan koe njere datangka ngagaralang.

Tjek Si Patjet: „Anggoer oerang sosorodotan euj, djeung maling bonteng mah matak diteunggeulan." Toeloej maranehanana ngarakoetan leutak ti sawah dibawa ka noe lamping, sarta toeloej sosorodotan. Tatapi Si Patjet hěnteu lila sosorodotanana, omongna: „Ah, dewek mah anggeus euj, da moending sijeun ngarandjah kana pare batoer." Toeloej bae mandi sarta noenggoean deui moendingna.

Ari Si Bontjel mah tonggoj bae sosorodotan, toeng-toengna moendingna ngarandjah kana kěbon katjang batoer. Noe boga ngamběk, toeloej ditejangan boedak angon teh, ana kapanggih keur sosorodotan bae. Si Bontjel bejak běresih ditjarekan koe noe boga kebon katjang teh.

Barang geus boerit toeloej baralik sarta moendingna digiringkeun. Tapi Si Bontjel balikna hěnteu soeka tjara sasari, rada ngoejoeng, sabab njěrieun awakna, sarta kasijeunna dibedjakeun ka djoeraganana, jen kitoe lampahna. Děmi Si Patjet balikna toempak moending bari nabeuh taleot.


XII. KAHOEROEAN.

Si Djabrig anak toekang ontjom boga sobat dalit pisan, ngaranna Si Kejong. Manehna ana oelin sok rerentetan bae.

Dina hidji powe Si Djabrig ngomong ka sobatna, [ 23 ]pokna: „Jong! hajoe euj oerang oelin ka tangsi nendjokeun pěrdjoerit baris, geura rěsěp nakěr.

„Kana naonana silaing resep teh Djabrig?" tjek Si Kejong.

„Ah, eta dewek mah euj ka noe djiga těrěbang, geuning sok disorendang." „Hih, Si doesoen," tjek Si Kejong, lain těrěbang eta mah, tamboer ngaranna.

„Ari silaing kana naonana nja rěsěp?" tjek Si Djabrig.

„Beu, dewek mah model, nja eta ka toewan Adjidanna. Geura euj resep pisan, nendjo pědangna goegoerilapan kawas eunteung bae djeung dina taktakbadjoena sok make omjok pasmen; euleuh, aja ginding nja euj!"

Sabot eta boedak keur ngomong kitoe, trong aja noe nitirkeun kohkol. Si Djabrig ngarendjag, pok ngomong ka sobatna: „Euj, sada noe nitirkeun kohkol? Geura dengekeun: trong! trong trong! tah, tetela euj, bowa aja noe kahoeroean." „Ah, tatjan poegoeb, bowa teuing aja noe ngamoek atawa noe minggat ti boewi," tjek Si Kejong. Toeh geuning aja noe loempat, tjoba tanja Djabrig." „Wah, mang! aja naon loe-loempatan?"

Djawab noe loempat bari toeloej: „Kahoeroean! geuning eta kohkolna nongtrongan bae djeung lotjeng digojangkeun."

„Lailah ěnja bae, di mana mang? Djeung imah saha noe kahoeroean teh?"

Djawab noe ditanja tadi teh: „Bedjana mah di koelon, di Poengkoer."

„Euleuh Kejong, tjoba itoe tendjo, haseupna wani ngabělégěděg!” tjek Si Djabrig.


[ 24 ]Teu lila gěr aja noe ngagoeroedoeg ngagoeroeh djeung aja noe soesoerakan.

Tah, geura kompa euj, toeh geuning da ěnja, hajoe oerang miloe." Bral eta doewa boedak miloe djeung toekang kompa. Barang datang ka noe kahoeroean teja, geus koempoel toewan-toewan djeung menak-menak, sarta kompa harita tjaina geus njěrěleng bae kawas pantjoeran djeung riboet djalma-djalma noe noeloengan barang-barang, sawareh deui aja noe noewaran tangkal tjaoe dialoeng-aloengkeun kana seuneu hoeroeng.

„Euleuh Kejong, tjoba itoe noe boga imah matak karoenja, geus tjeurik bae bari ngarěrěwig sarta henteu poegoeh polahna. „Hěr, itoe mah aneh euj!" tjek Si Kejong, ,anoe imahna beh kaler bět lain ngadjaga seuneu, anggoer heug baé ngatjoengkeun kěris bari gěgěroan, pokna: „Ngidoel! Ngidoel! djeung itoe aja noe mawa eunteung dina soehoenan bari ditodjokeun kana seuneu." Amboe, eta Mas Lěbe Poengkoer keur adan bae," tjek Si Djabrig.

Teu koengsi lila eta seuneu ngalentab kana imah-imah noe nodjokeun kěris djeung eunteung teja datangka meh bejak, ngan hadena kaboeroe koe kompa sarta teu koengsi lila eta seuneu pareum.

Barang seuneu geus pepes, toeloej djalma-djalma noe noeloengan teh baralik, kitoe deui rame anoe ngagoesoer kompa djalma pirang-pirang bari soesoerakan. Eta doewa boedak toeloej deui balik.

Barang datang ka imahna, Si Djabrig tjatjarita ka indoengna, pokna: „Eteh, koering mah tadi nendjo noe kahoeroean di Poengkoer, djeung koering heran pisan nendjo djalma anoe naek kana soehoenan, bari mawa eunteung, kěris, toembak sarta ditodjokeun [ 25 ]kana seuneu, eta teh ambrih naon?" Ari djawab indoengna: „Eta gawena soepaja imahna oelah kabeuleum."

„Geuning meh bae bejak kabeuleum, tjek Si Djabrig, ngan hadena bae kaboeroe koe kompa. „Hih, eta mah montong pandjang tjarita, da Eteh ge bedja deui ti ěmbah, nja ari kabeuleum mah geus takdiring Goesti Allah bae."

„Beu, lamoen kitoe mah nja matih kompa tibatan pakarang teh kana seuneu mah, nja Eteh," tjek Si Djabrig.


XIII. MARIJAH DJEUNG SAMSI.

Dina hidji kampoeng aja hidji boedak sakola ngaranna Samsi. Eta boedak sakolana kakara pangkat kahidji. Didinja geus ngabakoe dina oenggal-oenggal toetoep boelan moerid-moeridna sok dibagi gěrip hidji sewang.

Měněran dina powe; Senen toetoep boelan, baroedak kabeh pada ngarěp-ngarěp kana dibagi gěrip. Aja oge noe njoehoenkeun, tapi koe goeroena hěnteu digoegoe, koesabab geus tereh baralik.

Barang geus boebaran sakola goeroena njaoer ka moerid-moerid, saoerna: „Baroedak, isoekan poekoel dalapan isoek-isoek koe kami rek dibagi gěrip, tatapi saha-saha noe ělat datang mowal dibere." Eta moerid-moerid barang ngadenge saoer goeroena kitoe aratoheun pisan, toeloej baralik.

Barang geus daratang ka imah-imahna, maranehanana djangdji ka indoengna hajang dihoedangkeun isoek-isoek. [ 26 ]Isoekna powe Salasa moerid-moerid geus darijoek dina satempat-tempatna. Tidinja toeloej koe goeroena dibagi gĕrip hidji sewang. Barang poekoel sapoeloeh moerid-moerid ka loewar aroelin, wantoening waktoe eureun.

Si Samsi toeloej ka noe dagang katjang beureum, tapi ari rek meuli teu bogaeun doewit, koedak-kodok kana pesak ngan aja gĕrip bae. Tidinja los njampeurkeun ka Nji Marijah sarta bari ngomong, pokna: „Nji Marijah ijeu beuli gĕrip koering tiloe peser."

Ari tjek Nji Marijah: „Ah, ĕmboeng, lamoen sasen mah daek." „Mangga bae, "tjek Si Samsi. Sok dibajar koe Nji Marijah. Geus kitoe Samsi loempat ka noe dagang katjang beureum teja sarta toeloej meuli sapeser, ari noe sapeser deui dibeulikeun kana bandrek.


Barang geus ditongtrongan, toeloej moerid-moerid arasoep deui. Tidinja goeroena miwarang noelis dina sabak sarta toeloej andjeunna njontoan dina papan.

Moerid-moerid prak naroelis, tapi ari Samsi tjitjing bae, sabab teu bogaeun gĕrip. Katingali koe goeroena, toeloej Samsi dipariksa: „Samsi, naha maneh tjitjing bae henteu noelis?

Pihatoerna Samsi: „Soemoehoen teu gadoeh gĕrip." Goeroena mariksa deui: „Naha dikamanakeun gĕrip maneh? Kapan tadi dibere." Wangsoel Samsi:„Soe moehoen leungit." Koe goeroena dilělěkan sarta Samsi toeloej ngakoe, jen gĕripna didjoewal ka Nji Marijah sasen, njajeta moerid batoerna keneh.

Goeroe mariksa ka Nji Marijah saoerna: „Marijah, ĕnja maneh meuli gĕrip sasen ti Samsi?" Pihatoerna „Soemoehoen. "Saoer goeroena: „Samsi geuwat [ 27 ]poelangkeun deui doewitna ka Marijah." Ari wangsoel Samsi: „Soemoehoen parantos seëp dibeulikeun kana katjangbeureum sareng bandrek.

Toeloej Samsi djeung Nji Marijah doewanana disiksa. Samsi sanggeus boebaran sakola ditjandak ka boemi goeroena disina nganggeuskeun pagaweanana. Nji Marijah ge disiksa, koesabab wani-wani meuli gĕrip ti Samsi, karana di sakola teu meunang djoewal meuli atawa oeroep-oeroepan. Tidinja goeroena njaoer deui ka Nji Marijah, saoerna: „Eta gĕrip koe maneh koedoe dibikeun deui ka Samsi, djeung Samsi koedoe menta sasen ka Ema pikeun ngagantian.

Isoekna Samsi menta doewit ka indoengna. Tjek indoengna: „Keur naon maneh menta doewit?" Wang soel Samsi: „Keur ngagantian gĕrip ka Nji Marijah, sabab gerip koering didjoewal ka manehna, ari doe witna koe koering geus bejak." Toeloej koe indoengna dibere bari ditjarekan.

Koesabab eta sakabeh moerid-moerid oelah wani oeroep-oeroepan atawa ngadjoewal parabot sakola, sabab teu hade sarta njoesahkeun ka kolot djeung ka goeroe.


XIV. AMBIL-AMBILAN.

Di lemboer Lengkong loba baroedak awewe djeung lalaki, aroelinna sakapeung sok tjampoer sakapeung sok misah.

Dina hidji powe, kira-kira poekoel lima sore, keur waktoe baroedak lalaki anoe galĕde aroelin ka sawah, boedak awewe djeung baroedak lalaki noe laleutik ngarijoeng, sědjana rek aroelin. [ 28 ]Tjek noe hidji: „Hajoe batoer oerang ambil-ambilan." Wangsoelna: „Hajoe, saha noe djadi Indoeng?"

Tjek Djamah: „Koering bae djadi Indoeng."

Tjek Saběnah: „Ah, koering bae djadi Indoeng."

Toeloej dipilih koe batoerna noe reja, saha noe panggědena; ari noe djadi Saběnah, sabab eta anoe panggědena teh.

Tjek noe loba: „Saha ajeuna noe djadi akina?”

Tjek Saběnah: „Atoeh Djamah bae djadi Aki."

Toeloej Indoeng sabatoerna misah ti Aki. Geus kitoe pok Aki ngomong bari dilagoekeun, pokna: „Ambil-ambilan, toeroegtoeg hajam samantoe."

Tembal Indoeng: „Saha noe diambil-ambil teja, kami mah teu boga intjoe di dijeu mah ngadji kokoro."

Tjek Aki: „Nji Oeti-Oeti ge daek, poerah noetoe poerah ngedjo, poerah ngasakan baligo, poerah tjalik dina lampit, poerah toenggoe imah gěde."

Tembal Indoeng: „Njĕrieun soekoena, katjoegak koe kaliage."

Tjek Aki: „Aja oebarna, oerat goeling sampoerage, tigoeling njotjolan dage."

Toeloej Oeti njampeurkeun ka aki bari engke-engkean, djeung koe batoerna disoerakan, pokna: „Hojah, maling endog! Eta kitoe bae satoeloejna, datangka baroedak teh kabeh koempoel di Aki teja.

Tidinja Indoengna noenggělis kari sorangan. Toeloej Aki nitahan hidji boedak ngala Indoengna teja, tapi Indoengna teu daekeun, omongna: „Emboeng sijeun andjing."

Geus kitoe Aki nitahan deui noe sedjen, tapi teu daekeun keneh bae, pokna: „Hajang diala koe Aki koe maneh."

Tjek Aki: „Bedjakeun ka Indoeng, andjing ajeuna [ 29 ]geus euweuh, geus dipaehan, djeung geus meuntjit hajam, geus ngangeun djeung geus disadijaän bakakak."

Eta baroedak noe loba sina njaroempoet, soepaja oelah katendjo koe Indoeng teja. Toeloej Indoengna njampeurkeun. Barang datang, baroedak anoe njaroempoet teja njalampeurkeun bari ngagogogan ka Indoengna.

Indoengna loempat, toeloej diaroedag bari didjěmbelan, ditjiwitan, datangka tjetjerewetan.

Geus kitoe disampeurkeun koe Aki sarta ditanja, pokna: Mana anoe njeri?" Indoeng nembal bari noedoehkeun: „Ijeu leungeun anoe njeri teh."

Tjek Aki: „Koe saha?" Toeloej koe Indoeng ditoedoehkeun. Tidinja koe Aki dipangmalěskeun diteunggeul lalaoenan. Kitoe bae aroelinna baroedak teh.

Ari geus toetoep, ririjoengan deui bari ngaromong. Henteu koengsi lila indoeng Saběnah njaloekan, pokna: Saběnah! geura ka imah sareupna.

Tjek Saběnah bari indit: „Eh, batoer-batoer! isoekan bae oerang aroelin deui, andjang-andjangan." Tidinja toeloej baralik asoep ka saimah-saimahna.




XV. TOETOEROETJINGAN.

  1. Hiroep lain koe njawa, leumpang lain koe soekoe.
  2. Kadenge karasa, tapi teu katendjo.
  3. Tangkalna ke, boewahna ko.
  4. Ana nangkoeban pinoeh, ana nangkarak kosong.
  5. Tiloehoer padoeng, ti handap padoeng, di těngah gegelentjengan.
  6. Soekoena tiloe, matana opat. [ 30 ]
  7. Nini-nini ragrag soerak.
  8. Sisitan lain kantjra, koekoentjoengan lain měrak.
  9. Aja awak euweuh soekoe, aja beuheung euweuh hoeloe, aja leungeun euweuh ramo.
  10. Ngaberes kawas pěrdjoerit, beunang diadjakan ngomong, tapi henteu njawaän.



XVI. BOEDAK TJOELIKA.

Aja hidji toekang sapatoe boga hidji anak lalaki, ngaranna Si Tahir, teuing koe tjoelika. Ari karěsěpna ngaheureujan anoe ngaliwat. Dimana reup peuting, toeloej manehna ngala tangkal taleus, pek ditjoletan koe apoe diroepakeun oraj-wělang. Toeloej digolerkeun ditengah djalan sarta ditalian koe běnang hideung. Děmi talina ditjěkělan koe manehna bari njoempoet di noe boeni. Oepama aja noe ngaliwat, toeloej talina dikěnjang, soepaja dinjanaän oraj ěnja.

Teu koengsi lila djol noe nganggoeng pare ngaliwat kadinja, katintjak oörajan teh. Toeloej tangoenganana ditinggangkeun sarta rantjatanana dipaoet, dipake neunggeulan oraj, datangka sapat oörajan teh. Tidinja pek ditjoeran koe rokrak, ana ditěgěs-těgěs bět lain oraj, toeloej bae manehna balik.

Si Tahir bidjil tina panjoempoetanana sarta bari seuseurian tjatjalakatakan, boga rasa, jen kadjadian ngaheureujanana teh. Atoeh beuki deudeuieun bae nijatna goreng teh.

Tatapi Si Tahir aja deui karěsěpna, nja eta toetoelisan dina gěbjog koe areng. Dina hidji powe Si Tahir dititah barangbeuli ka pasar. Ari di djalan gok papanggih djeung noe nanggoeng areng. [ 31 ]Tidinja manehna dodongkoan rek njokot areng, barang top njokot, kaběněran anoe nanggoeng teh ngalijeuk, toeloej tanggoenganana diëtjagkeun, sarta toeloej ngoedag Si Tahir, datangka beunangna.

Geus kitoe Si Tahir diperong koe arěng. Si Tahir tjeurik gegěroan, toeloej balik ka imahna. Sapandjang djalan manehna diagěr-ager sarta dipoepoeas, pokna: „Tah kitoe, ari noe tjoelika mah sok aja babalěsna.


XVII. NGAKOET.

Si Djasim ngomong ka batoerna oelin ngaran Si Běgoe, pokna: „Běgoe, silaing rek mantoean ngakoet ka djoeragan loerah?"

Běgoe: „Naha iraha ngakoetna djoeragan loerah teh?"

Djasim: „Apan isoekan, naha bapa silaing henteu dihiras?"

Běgoe: „Teu njaho, da dewek mah kakara datang ti pangangonan. Ah, dewek ge rek mantoean, lamoen ĕnja mah rek ngakoet, da sok reja soesoegoehna."

Djasim: „Atoeh poegoeh, meuntjitna ěmbe ge gěde naker, djeung rěsěp euj, sok loba noe mantoean, malah răngkongna ge sababaraha pasang djeung make nanggap ogel."

Běgoe: „Tjik atoeh dewek ngindjeum rantjatan."

Djasim: „Naha dikamanakeun rantjatan silaing? apan bareto boga aloes pisan."

Běgoe: „Apan bareto potong, basa keur mantoean ngakoet ka Pa Marah."

Djasim: „Hade lamoen noe silaing potong mah, sabab da dewek rek make rĕngkong." [ 32 ]Běgoe: „Naha silaing boga rengkong? Rasa dewek silaing mowal kadoega make rĕngkong, da ěnja ge saeutik bawana, rengkong mah koedoe digoebag-gabig, matak njěri awak."

Djasim: „Ih, sageuj! kapan geus dipangnjijeunkeun koe Bapa rĕngkong leutik, ngan opat geugeus momotna ge, geus ngalajan djeung Si Sarpan, malah kamari ge geus dipětjak-pětjak."

Běgoe: „Ah, handjakal dewek henteu menta dipangnjijeunkeun ka Bapa. Atoeh ngindjeun rantjatan silaing teja bae euj, da njijeun rengkong mah mowal kaboeroe."

Isoekna Si Sarpan njampeur ka Si Djasim, tidinja toeloej doewanana ka Si Běgoe. Teu lila bral tiloeanana arindit ka sawah, tatapi barang datang kadinja tatjan reja djalma, ngan toekang mitěmbějan geus kasampak keur dijoek bari njanghareupan papakean anoe araloes djeung lawon bodas, pikeun ngadangdanan Iboe. Tidinja eta Iboe toeloej didangdanan make karembong loktjan, samping satrija djeung make ditijoengan koe lawon bodas.

Děmi lalakina make diběndoan. Toeloej eta Iboe dikoekoesan, sarta make disodoran doewěgan, roedjak tjaoe djeung roedjak kalapa.


Eta boedak noe tiloean teja marolotot bae nendjokeun bari sěmoe heran, karana ěnja oge manehna geus mindeng mantoean ngakoet, ari noe kitoe mah tatjan pisan njahoeun, sabab datangna sok geus bareurang.

Barang geus meunang sadjongdjongan, Si Djasim nanja ka toekang mitěmbějan, anoe ngadangdanan pare teja, pokna: [ 33 ]„Ěmbah, naon ngaranna eta noe dibeungkeutan laleutik teh geuning daoenna henteu dipitjeunan sarta meungkeutna koe kanteh."

Ěmbah: „Eta ngaranna tjěpil, nja eta pare noe tjeulian."

Djasim: „Ari eta noe ditijoengan lawon bodas djeung noe ditotopongan naon ngaranna?

Ěmbah: „Ih oedjang, eta mah ngaranna Iboe istri-paměgět."

Djasim: „Djeung eta anoe dikoekoentjoengan, naon ngaranna?"

Ěmbah: „Ari eta mah Tjapit, minangka noe djadi tanda pangiring Iboena."

Djasim: „Geuning make disodoran doewěgan djeung roedjak tjaoe."

Ěmbah: „Ih, kapan samemeh indit, Nji Sri sina barangtoewang heula."

Djasim: „Embah, naon sababna noematak saban noe ngakoet sok make Iboe?

Ěmbah: „Koemaha oedjang teu atjan mangarti? Eta Iboe hartina iboena Nji Sri, soepaja andjeunna tětěp. Sabab lamoen taja Iboe, ibarat oerang teu boga indoeng bapa, djadi teu poegoeb toetoerkeuneun."

Sanggeus rada beurang, boeroeboel pirang-pirang djalma kolot boedak, anoe rek mantoean ngakoet teja. Ogelna geus sadija, pada ngarais dogdogna sarta toekang răngkongna geus pada njarěkělan hatong.

Barang toekang ogel nabeuh dogdogna, bral arindit. Iboena digotong dina djampana, anoe make dihoeloenaga. Ari leumpangna ngaleut: pangheulana ogel, toekangeunana djampana, geus kitoe katoemboe koe răngkong djeung noe nanggoeng geugeusan. [ 34 ]Ari Djasim djeung sobatna teu kira-kira rarăsăpeunana tjampoer djeung noe reja. Sadjalan-djalan rame noe soesoerakan taja eureunna.

Barang datang ka lěmboer, di hareupeun leuit njampak bangkoe diamparan lawon bodas, toeloej eta Iboe ditjalikkeun dina bangkoe bari dikoekoesan, ogelna noeroengtoeng bae taja eureunna.

Barang anoe naranggoeng geus baralik deui ka sawah, ogel teh kakara eureun, sarta Iboe toeloej diasoepkeun ka leuit, diteundeunna di těngah djeung dirijoeng koe tjapit-tjapit teja, toeloej disodoran doewěgan, roedjak tjaoe djeung roedjak kalapa. Geus kitoe kakara noe loba diasoepkeun diělěp di djěro leuit.

Eta noe ngarakoet basana baralik deui ka sawah, pada soekan-soekan hareureuj sakarěp-karěpna. Sanggeus meunang tiloe atawa opat balikan, kakara disoegoeh dahar. Děmi geus wantji lohor disoegoeh ngopi.

Barang geus anggeus, kakara maranehanana baralik, tapi hěnteu, diboeroehan, poetoes koe disoegoehan bae. Sakapeung sok aja oge anoe diboeroehan koe pare, saoerang sageugeus atawa sapotjong.

Eta kitoe atoeranana noe ngakoet teh.


XVIII. PĚPĚTASAN.

Saman nanja ka Si Rabiin, pokna:

„Rek kamana silaing Rabiin, leumpang gagantjangan teuing ?"

„Rek ka pasar euj," wangsoel Si Rabiin, „rek meuli pěpětasan! Hajoe atoeh Saman silaing rek miloe?"

Wangsoel Saman: „Ah, mowal euj, da dewek mah [ 35 ]teu boga doewit, djeung tjoemah bae dipake meuli pěpětasan mah, anggoer dipake meuli katjang goreng atawa tjaoe radja matak seubeuh. Djeung eta euj sok ditjarekan koe Eteh, oelah sok meuli pěpětasan matak tjilaka.

Si Rabiin ngawangsoel bari toeloej, pokna:

„Kadjeun teuing mowal meuli mah, da dewek mah rěsěp.” Tidinja toeloej bae Si Rabiin meuli pěpětasan sagěpok anoe beureum sapotong, sarta dibawa balik.

Barang datang ka imahna, pek njokot seuneu, bari njaloekan adina awewe ngaranna Langking, pokna: „Langking! Langking! kadijeu oerang njeungeut pěpětasan!”

Si Langking loempat njampeurkeun bari nanja, pokna: „Mana pěpětasanana teh?"

Wangsoel Si Rabiin: „ljeu!" Tidinja pek pěpětasan teh diseungeutan tjorotjos! tjorotjos! dor! dor! „Hoerseh! hoerseh!" tjek Si Rabiin. Ari adina mah ngan peupeureudeujan bae bari njotjokan tjeuli.

Omong Si Rabiin: „Ah, naha sija mah borangan teuing, bět njotjokan bae tjeuli!"

Wangsoel adina: „Da sok sijeun kabědil." Omong Si Rabiin: „Hih mowal ěnja, geura ijeu aing mah wanian, rek ditjěkělan bae." Tjek adina: „Oelah akang, bisi bitoe kana leungeun!" Tapi Si Rabiin henteu ngagoegoe kana omong adina, toeloej bae diseungeut. Barang pěpětasanana bitoe, Si Rabiin ngagowak, leungeunna toetoeng sarta seuneuna metel kana pipina. Koetina eta pěpětasan gěde, datangka geuneuk; manehna tjeurik gěgěroan.

Adina njampeurkeun bari moewas-moewas, omongna: „Poewas! poewas! bongan sok wawanianan, hajoewa bae henteu botjos oge." [ 36 ]Lila-lila Si Rabiin kapokeun, tara daekeun deui meuli pěpětasan. Ana dibere doewit koe indoeng bapana, sok toeloej bae diampihan atawa ditjengtjelengankeun.


XIX. BOEDAK HAWĚK.

Dina hidji powe Si Aslam keur ngadoedoetan hajam, ditanja koe batoerna noe ngaran Si Karim, pokna: „Aslam, keur naon euj meuntjit hajam?"

Wangsoel Si Aslam: „Ih naha silaing teu njaho, kapan bapa dewek isoekan rek mitěmbějan diboewat? Toeh geuning indoeng dewek geus njijeun koepat djeung tangtang-angin keur isoek di sawah njalamětkeun. Djeung deui indoeng dewek geus meuli endog djeung roedjakeun keur ngeusian saoengsanggar."

Omong Si Kasim: „Atoeh dewek miloe Aslam ka sawah, ari ěnja mah bapa silaing isoek mitěmbějanana, ĕngke ari bapa dewek mitěmbějan, silaing dibawa.

Wangsoel Si Aslam: „Hade euj, isoek meureun silaing disampeur koe dewek."

Tjeuk Si Karim: „Oelah bohong atoeh Aslam, isoek koe dewek didagoan, djeung oelah mawa batoer sedjen, soepaja oerang isoek seubeuh ngahakanan koepat djeung tangtang-angin. Saoeng sanggarna oerang totog koe oerang bae, roedjakna oerang doewakeun djeung endogna oerang sapotong sewang."

Isoekna Si Karim disampeur koe Si Aslam dibawa ka sawah, bareng djeung bapa Aslam bari marawa roewas keur wadah lembing. [ 37 ]Barang datang ka sawah, Si Karim moho teuing njatoena koepat djeung tangtang-angin, datangka beuteungna boengkijang.

Hadena bae Si Karim ngageuwat balik; barang datang ka imahna, manehna goelanggasahan bae, tina sabab kaměrěkaän sarta mindeng njěri beuteung, datangka awakna běgang, igana ragas tjara gambang bae.

Indoengna nanja ka Si Karim, pokna: „Naha njatoe naon sija Karim, noematak njěri beuteung teh?" Toeloej Si Karim njaritakeun lalampahanana.

Tjek indoengna: „Naha atoeh sija teh teu beunang teuing dipapatahan; geuning kamari ijeu ge sija kitoe, datangka njĕri beuteung, ajeuna pek deui bae ěmboeng ngagehan batoer teh. Sing ingět deuleu, ari boedak hawěk teh toengtoengna mowal boga batoer. Lamoen sija sakali-kali deui kitoe, koe aing mowal dioebaran, koesabab aing teu njaäh ka noe hawěk.

„Koemaha baroedak kira-kirana Karim ngagoegoe?"


XX. KALONG.

Asik datang ka lěmboer Abdoel arek meuli ramboetan.

Omong Asik: „Djang Abdoel, tjik koering meuli ramboetan."

Wangsoel Abdoel: „Sabraha euj silaing rek meuli ramboetan teh?"

Tjeak Asik: „Tiloe doewit djang!”

Djawab Abdoel: „Heug euj, tapi koedoe naek sorangan, ěngke koe dewek dibere doewa wělas [ 38 ]sadoewit, sabab dewek mah teu bisa naek, sok ngadegdeg soekoe.

Wangsoel Asik: „Mangga bae, koering noe naekanana mah.

Tidinja bral arindit ka kěbon; barang datang kana handapeun tangkal ramboetan, Asik kageteun nendjo ramboetan majak di handap, toeloej nanja ka Abdoel, pokna: „Djang, ijeu teh oeroet naon, ramboetan majak di handap, tapi bět ngan kari sikina djeung tjangkangna bae?"

Djawab Abdoel: „Oeroet kalong euj. Bapa dewek ajeuna keur ka pasar meuli obat djeung mimis, ĕngke eta kalong rek dibědilan. Bareto ge dibědilan, loba pisan anoe paraeh, datangka karohok djangdjangna tapak mimis. Tapi ajeuna loba deui bae kalong teh."

Tjek Asik: „Tah, běněr lamoen rek dibědilan mah, da bongan sok ngagalaksak." Tidinja tjat manehna naek ngala ramboetan.

Tjarek Abdoel: „Sing loba bae ngala teh euj, ĕngke silaing koe dewek dibere tambah."


Barang Asik geus toeroen, toeloej diberean sarta doewitna ditampa.

Omong Abdoel: „Naha silaing tatjan njaho paribasa tinggar kalongeun?"

Djawab Asik: „Ih, nja sok ngadenge bae, tapi ari hartina mah teu njaho."

Tjeuk Abdoel: „Geuning sok loba baroedak, anoe minděng diwarah koe kolotna, tapi teu ngagoegoe bae, eta disěboetna „tinggar kalongeun." Geura kalong masih minděng ge dibědilan, aja deui, aja deui bae noe datang." [ 39 ]Omong Asik: „Eh, koetan kitoe, koering mah kakara njaho, tjing atoeh tjaritakeun: dimana ajana ari kalong, di goenoeng atawa di pasisian, djeung koemaba kalakoeanana, da ari tibeurang mah taraaja ka oerang?”

Djawab Abdoel: „Ari ajana di pasisian dina tangkal kai ngaboeboehan, wani rigil daoenna ge, ngagarantoeng bae barina marojan. Ari roepana hěnteu padjaoeh djeung lalaj, ngan ari kalong mah gěde. Djeung deui ari kalong mah lain bangsa manoek anoe ngěndog, nja eta bangsa sato njoesoean saperti andjing, ngan ijeu mah bisa hiběr djeung diantara soekoena aja koelit saperti lamak.

Dina oesoem boeboewahan kalong djadi satroe gěde ka manoesa, sabab sok malingan boeboewahanana ti keur ngorana keneh. Masih dikokoprakan atawa make lantera oge dina tangkal anoe keur boewahan, henteu sijeuneun bae.

Geura oepama oerang ngaliwat ti peuting kana handapeun tjaringin atawa randoe atawa naon bae, anoe keur boewahan, didengekeunana sora kalong mani patingkorejak, kawas andjing marěboetkeun toelang.

Tjoba maneh njaho, sakoemaha pirasaeunana toekang tani, oepama kalong henteu aja dina waktoe oesoem boeboewahan?"


XXI. TOEKANG KALENG.

Si Sapar dibawa ka pasar koe indoengna. Ari di pasar manggih noe dagang kompor. [ 40 ]Tjek Si Sapar: „Ĕma, moen meuli kompor keur wadah papakean koering."

Wangsoel indoengna: „Mahal meuli mah, anggoer oerang moeroehkeun njijeun bae, kapan boga kalengna oeroet wadah minjak." Teu lila toeloej baralik.

Barang datang ka imahna, tjek indoengna: „Djang, djig ijeu kengkenkeun ka toekang kaleng, boeroehna mah ěngke bae ari geus anggeus." Toeloej eta kaleng koe Si Sapar didjingdjing dibawa ka toekang kaleng.

Barang datang kadinja, měněran toekang kaleng keur digarawe, rame dokdak sora paloe. Si Sapar kaget loewak-lijeuk barina rek tjeurik, maroekanana aja noe kahoeroean.

Katendjo koe toekang kaleng, toeloej ditjaloekan; Si Sapar njampeurkeun sarta omongna: „Lah, panjana koering eh aja noe kahoeroean, boro koering reuwas."

Barang Si Sapar ngareret ka gigir, nendjo goenting, anoe gědena satampah, manehna ngadegdeg kawas noe moerijang, tina kakara manggih, maroekanana paranti ngagoenting beuheung djělěma.

Toekang kaleng: „Koenaon djang ngadegdeg?"

Sapar: „Eta teh mang paranti naon, mana gěde-gěde teuing? koering mah sijeun," barina noendjoek kana goenting gěde teja.

Toekang kaleng: „Ih, oelah sijeun-sijeun djang, eta mah paranti ngagoentingan kaleng."

Tidinja Si Sapar kakara ngarasa teu sijeun sarta toeloej ngilikan sagala parabot noe aja didinja, omongna: „Leuh, koetan pepek ari parabot toekang kaleng.”

Sapar: „Mang, ari eta naon ngaranna, anoe koneng deukeut timah teh, bět digolerkeun dina batoe?" [ 41 ]Toekang kaleng: „Eta anoe koneng ngaranna arpoes, nja eta anoe disěboet patri teh, paranti mageuhan atawa něpoeng-něpoengkeun."

Sapar: „Ari něpoeng-něpoengkeunana make naon?"

Toekang kaleng: „Make ijeu noe siga peso, ngaranna sodiran, tapi koedoe dibeuleum heula dina ijeu anglo, sing datangka beureum. Ari geus kitoe ditjoletkeun kana timah djeung kana arpoes, toeloej dioelaskeun kana noe rek ditěpoengkeun teja."

Sapar: „Ari eta anoe siga pamatoek bango teh naon ngaranna djeung paranti naon?"

Toekang kaleng: „Eta ngaranna djangka, paranti njijeun boeleud atawa pasagi djeung beunang oge dipake kana sagala oekoeran."


Geus kitoe Si Sapar nendjo deui parabot-parabot. Koesabab manehna hajang njaho mětakeunana, toeloej nanja, pokna: „Tjing emang, koering bedjaän, naon ngaranna hidji-hidjina parabot, anoe sok dipake koe emang, djeung koemaha mětakeunana?"

Toekang kaleng: „Geura ijeu regěpkeun: tahanan, anglo, sodiran, goenting, paloe, djangka, tjapit, paloe kai, tatahkoeroeng, tatahkoekoe, ereg, ělisan djeung sadjaba ti eta; kabeh pada aja rangkepanana, tah, djeung jeu pirang-pirang roepa parabot, noe didjijeun tina kai."

Sapar: „Ari eta tatahkoeroeng, tatahkoekoe, ereg djeung ělisan paranti naon?"

Toekang kaleng: „Ari tatahkoeroeng paranti ngalijangan anoe boelend, saperti dina lantera. Tatahkoekoe paranti ngarantjang boboko atawa wadah seupaheun. Ereg paranti njijeun solobong leutik, sapěrti [ 42 ]dina djoeroe lantera. Děmi ělisan paranti ngalěmpěngkeun djeung ngaratakeun sisi-sisi."

Sapari: „Leuh, atoeh paingan lamoen kitoe mah, sok garantjang digawena, dapěpěk parabotna."

Toekang kaleng: „Naha oedjang hajang djadi toekang kaleng?"

Sapar: „Hajang bae lamoen reja oentoengna mah.”

Toekang kaleng: „Atoeh poegoeb reja mah, kapan lamoen aja noe moeroehkeun, boeroehna satengah harga, soemawonna lamoen ngomean barang Boekarěmen mah, dina sapowe nintjak meunang saringgit."

Sapar: „Tah koering oge daek lamoen kitoe mah, tapi koering arek poepoelih heula ka indoeng, lamoen didjoeroengkeun, isoekan koering balik deui rek miloe digawe djeung ěmang. Bari ijeu tjek ěma pangnjijeunkeun kompor, ari boeroehna mah engke baé ari geus anggeus."

Toekang kaleng: „Hade, tapi mowal anggeus ajeuna, da geus beurang teuing, isoekan bae kadijeu tejang deui,"

Si Sapar toeloej balik; barang datang njarita ka indoengna, jen manehna hajang djadi toekang kaleng. Tjek indoengna: „Soekoer ari boga pikir kitoe mah, tjig bae, keur pikeun běkěl maneh hiroep."

Isoekna Si Sapar balik deui ka toekang kaleng, sědjana rek miloe digawe, bari mawa doewit keur boeroehan njijeun kompor teja. Barang datang kadinja kasampak komporna geus anggeus.

Tidinja toeloej bae Si Sapar miloe digawe didinja. Oenggal powe soehoed pisan digawena, datangka lila-lila bisa matjakal sorangan.


[ 43 ]

XXII. SAPĚRTI NOMĚR VI.

a, a, a, ng, p, k, r = pakarang.
a, a, a, k, s, m, ng =
k, p, r, a, a, ng, a, n, a =
p, n, ng, n, a, a, a =
o, s, r, k, a, a =
i, a, r, a, k, k =
k, p, tj, a, a, r, ng, i, i =
o, a, i, ng, k, l, n, d =
b, k, w, a, oe, ng, ng =
k, s, l, i, i, oe =
oe, oe, a, l, k, m, b =
l, s, n, r, d, o, a, e =

XXIII. DJADJAN.

Amboe Bonim gěgěroan njaloekan anakna, pokna: „Bonim! Bonim! meugeus oelin teh geura njatoe!" Tapi Si Bonim hěnteu daekeun njampeurkeun, tonggoj bae oelin di boeroean djeung batoer-batoerna.

Lila-lila amboe Bonim keuheuleun, toeloej toeroen ka boeroean, leungeun Si Bonim ditjěkěl bari ditoengtoen dibawa ka imah.

Barang datang ka imah, gek Si Bonim dijoek deukeut indoengna, sarta toeloej koe indoengna. disodoran kedjo djeung laoek dina piring. Kop Si Bonim njatoe, tapi hěnteu tjara sasari, njatoena tjaman-tjemen semoe hěnteu hajang, ngahoewapna oge saremeh-saremeh. [ 44 ]Ditendjokeun koe amboe Bonim, sarta toeloej ditanja, pokna: „Naha sija njatoe teh tjaman-tjemen teuing semoe noe teu hajang?”

Wangsoel Si Bonim: „Njeri beuteung.”

Tjeuk indoengna: „Njeri beuteung koemaha?”

Wangsoelna: „Eungap.”

Tjek indoengna: „Manggih baranghakan dimana, djeung naon anoe dihakan teh?”

Si Bonim sijeuneun nendjo indoengna ngamběk, toeloej ngakoe sakoemaha noe geus kalampahan koe manehna, pokna: „Koering teh tadi isoek-isoek basa keur oelin papanggih djeung paman, mere doewit ka koering lima sen. Eta doewit koe koering dibeulikeun kana peujeum sampeu, tjendol djeung roedjak kalapa.”

Tjek indoengna: „Naha atoeh sija teh mana henteu ngagoegoe, geuning tjek aing, ari boga doewit oelah sok meulian anoe matak goreng kana beuteung. Lamoen henteu noeroet bae, paman maneh koe aing rek dibedjaän, oelah sina mere doewit ka maneh, soemawonna aing mah mowal pisan mere. Tah, tjoba maneh oepama noeroet mah kana omong kolot, mowal sok mindeng teuing njëri beuteung.”

Tidinja toeloej indoeng Si Bonim ngala daoen dadap, digelang djeung apoe, dioebarkeun kana beuteung Si Bonim. Mana horeng lain njeri beuteung, ngan kaměrěkaän baé.

Tatapi tina sabab loba teuing baranghakanna, toengtoengna oetah-oetahan. Sanadjan indoengna boga laoek oge djeung kahakanan ngeunah, manehna henteu miloe njatoe, da ngan oetah-oetahan bae.

Ari isoekna Si Bonim gěringna beuki katjida baé, datangka henteu bisa hoedang-hoedang atjan.

Dina djěro sapoeloeh powe Si Bonim henteu bisa [ 45 ]oelin djaoeh djeung batoerna, sarta njoesahkeun ka kolot-kolotna. Barang geus tjageur, manehna mindeng ingět kana kasakitna, sarta henteu daek-daekeun deui djadjan.


XXIV. HAHAJAMAN.

Dina hidji sakola aja sawatara moerid awewe, ari noe panglobana moerid lalaki. Barang dina poekoel sapoeloeh, nja eta waktoe eureun, goeroe toeloej njaoer ka moerid-moeridna: „Pek, baroedak geura aroelin tjara sasari.”

Toeloej baroedak awewe karoempoel di těpas sakola sabeulah kaler, sědjana arek oelin kapoentjeng. Ari baroedak lalaki aroelinna diboeroean sabeulah kidoel.

Tidinja silih-adjak djeung batoerna, sabab pada baroga karěp, aja noe ngadjak oetjing-oetjingan, aja noe ngadjak hahajaman djeung sadjaba tidinja.

Diantara eta baroedak aja hidji boedak anoe pangdjagdjagna ngaranna Mardi. Tjek Mardi: „Hajoe euj oerang oraj-orajan!” Toeloej baroedak teh ngantaj, tatapi henteu toeloej oraj-orajanana, sabab reja noe ngomong: da bongan sok pěgat.

Tjek Mardi: „Ih, ajeuna mah oerang hahajaman bae.”

Tjek Sanoesi: „Hajoe, da hahajaman mah rěsěp, koering hajamna.”

Tjek Mardi: „Hajoe, kadjeun teuing dewek mah tjareuhna oge.”

Tidinja toeloej baroedak teh patjěkěl-tjěkěl leungeun sarta ngalingkoeng njijeun kalang; aromongna: „Pek hajamna geura asoep.” [ 46 ]Geus kitoe Sanoesi asoep ka djěro kalang, barina roerat-reret, těmpa-těmpo, njengir bari njabak hoeloe, rek loempat semoe noe sijeun koe tjareuh.

Ari tjareuhna diloewar kalang, barina těmpa-těmpo ka djěro kalang, němpoan hajam teja. Barang geus katendjoeun, toeloej neunggar ka noe djadi pagěr, tapi teu bisa asoep, da dihalangan. Lila-lila bisa oge asoep ka djěro kalang, tapi hajamna bidjil, toeloej dioedag sarta gěr disoerakan koe batoer-batoerna.

Geus kitoe hajamna balik deui asoep kana djěro kalang, tjareuhna ngoedag rek asoep kadjěro, tapi hese, da dihalangan. Toeloej papintěran, tjareuh di loewar, hajam di djěro, rame pisan soesoerakan bari diseungseurikeun koe batoer-batoerna.

Teu lila pagěrna aja noe beunang ditobros. Barang hajamna rek loempat, kaboeroe koe tjareuh, toeloej ditewak sarta gěr sarereja pada saroerak. Noe aroelin djeung anoe nendjo, malah goeroena, pada miloe seuseurian.


XXV. DJAPATI.

Aja hidji boedak, oemoerna toedjoeh taoen, ngaranna Onon. Eta boedak bageur, tapi limpeuran. Lamoen ka sakola, radjeun oge tinggaleun boekoena atawa geripna djeung ana balik měntas oelin, nja kitoe bae sok aja noe tinggaleun, tjotjoöanana atawa badjoena.

Dina hidji mangsa Onon ditjaloekan koe bapana sarta omongna: „Onon, bapa měntas ti pasar, meuli ijeu djapati sakoerěn, top ijeu adjang maneh, tapi [ 47 ]koedoe dipijara masing hade, oenggal powe koedoe diparaban sarta diinoeman.”

Onon atoheun pisan, sabab manehna geus lila hajangeunana boga djapati, datangka sok kaimpi-impikeun.

Eta djapati koe Onon dioesapan, tapi giras keneh, gantjang dilaän ringkoesna, sarta diasoepkeun kana koeroeng. Toeloej manehna menta bejas ka indoengna djeung tjatjangkir wadah tjai.

Dina sapowe harita Onon leuwih tina sapoeloeh kali ngalorisna djapati, djeung hade mijarana. Tapi barang geus meunang saminggoe lilana, Onon geus rada poho kana papatah bapana.

Dina hidji mangsa manehna roesoeh ka sakolana, tjoel bae djapatina henteu diparaban heula.

Barang datang ti sakola, bapana ngomong, pokna: „Onon, koemaha djapati teh geus diparaban?” Onon eraeun pisan, sabab ingět djapatina samemeh ka sakola henteu diparaban heula.

Tidinja Onon rek moeroe djapatina, tapi tjek bapana: „ajeuna mah ěntong, sabab ĕnggeus diparaban koe bapa, da karoenja, tapi ti sěrěk ajeuna ka hareup koedoe djadi ingět, djeung lamoen henteu gěten kana tjotjoöan, djaga mowal boga naon-naon.”

Koesabab Onon katjida eraeunana djeung karoenjaeun kana djapatina, beuki gěten baé. Saban powe tara poho maraban djapatina.

Teu lila djapatina ěndogan, sarta toeloej měgar. Anakna doewa araloes pisan. Nja kitoe bae satoeloejna, datangka lila-lila djapatina djadi loba pisan.

Didjero doewa taoen geus leuwih tina doewa poeloeb. Tina geus loba teuing, sawareh dibikeunan ka batoerna oelin, sawareh didjoewalan, satalen sahidjina, ari ladangna ditjengtjelengankeun. [ 48 ]Bapana atoheun katjida nendjo Onon kitoe lampahna, sarta omongna:

„Tah, Onon koesabab maneh ajeuna geus henteu limpeuran, matak djadi soeka sarta ngadatangkeun hasil.”


XXVI. SOESOEMPIT.

Dina hidji lemboer aja hidji boedak lalaki ngaranna Isnen. Eta boedak karěsěpna soesoempit, ari ti peuting manehna samemeh hees, njijeun pasěr heula, noe didjijeun haroepat kawoeng.

Keur waktoe Isnen diadjar keneh soesoempitna, ana njoempit sok gagal, sarta manehna sok amběk-amběkan kana soempitna, bari ditinggang-tinggangkeun. Omongna: „Naha ijeu soempit teh bět henteu bangenan, oenggal dipake koe aing tara meunang?” Tapi Isnen henteu bosěneun kana soempit teh sarta beuki lila beuki bisa.

Lila-lila manoek-manoek tjarang noe datang ka pilěmboeran didinja, tina sabab oenggal powe disoempitan teuing.

Barang manoek-manoek geus tjarang noe datang, pěpělakan sakoer noe aja di kěbon bejak koe hileud.

Katjaritakeun dina hidji powe Isnen leumpang soesoempit ka sawah. Děmi dina mangsa harita keur oesoem diboewat, Isnen mawa pirang-pirang pasĕr, sabab pikiranana: „ajeuna eukeur diboewat, geus tangtoe loba manoek, timana-mana daratang.”

Barang Isnen geus něpi ka sawah, ngan aja hidji doewa bae, kitoe ge manoek bangsa titil, gariras [ 49 ]pisan, djadi Isnen soesoempitna teu beubeunangan. Tidinja toeloej bae manehna mapaj toeroet-toeroet sawah piboewateun.

Katjaritakeun noe boga sawah bidjil ti saoengna, sědjana rek nejang anoe diboewat, manggih tapak djělěma dina pare piboewateun. Toeloej bae koe manehna disoesoel, děmi djalanna noetoerkeun tapak teja bae. Teu koengsi lila Isnen kasoesoel, toeloej ditjarekan, bari dibawa balik ka bapana sarta dibedjakeun.

Tjek bapana: „Naha sija mana matak njoesahkeun teuing ka aing. Geura tendjo di kěbon, tatangkalan lěboer daoenna diharakanan hileud, sabab taja manoek noe sok ngahakanan, da sok disoempitan teuing koe sija. Djeung aing wirang, sabab aja noe ngělakkeun, jen sija sok ngaroeksak pare ari soesoempit.”

„Tjoba ajeuna rasa aing, maneh leuwih hade njoempitan laoek di balong atawa njoempitan mamanoekan djeung batoer maneh, tjara noe papanahan.”

Si Isnen noeroetkeun omong bapana, sarta lila-lila manoek-manoek teh daratang deui ka kebon bapana, djeung tatangkalanana toeloej baroewahan deui laleubeut pisan.


XXVII. BADAK.

Si Kasim njampeur ka Si Ardjan bari ngomong: „Ardjan, hajoe oerang oelin di těgal!”

Tjek Si Ardjan: „Ah ěmboeng ajeuna mah, tjape keneh, da dewek kamari koe bapa djeung djoeragan Wadana dibawa moro badak di Talagabodas.” [ 50 ]Tjek Kasim: Ari kitoe mah, batan oelin anggoer tjatjarita.”

Mimitina Si Ardjan njaritakeun lalampahan kamari teja, geus kitoe noeloejkeun, kijeu pokna:

„Badak teja sato noe panggěde-gědena di oerang. Pandjangna tina bangoes něpi kana boentoet 8 něpi ka 10 kaki, djeung boentoetna 2 kaki. Hoeloena gěde sarta pandjang; soengoetna leutik djeung lijang iroengna gěde. Ari tjeulina leutik, henteu nimbangan kana awakna. Matana oge leutik, deukeut pisan kana tarangna.

Ari badak henteu boga tandoek sapěrti moending tapi tjoelaän. Eta tjoela ajana loehoereun iroengna, pandjangna něpi ka 2 kaki sarta tjěntik ka toekang. Tandoek moending pageuh, djadi hidji djeung toelang hoeloe; ari tjoela badak mah henteu kitoe, pageuhna ngan koe koelit hoeloe bae. Sawareh badak aja oge noe boga doewa tjoela, ngadjadjar ka loehoer. Noe ti handap kalampahna sok leuwih pandjang tibatan noe ti loehoer. Ari badak di tanah Djawa tjoelana ngan hidji bae; anoe boga doewa tjoela ajana di poelo Pěrtja, di běnoewa Asia djeung Aprika. Sawareh djalma ngira, tjoela badak aja gawena pikeun ngoebaran sagala kasakit. Kitoe deui lamoen aja tjai noe tjampoer djeung baroewang, diantjloman tjoela badak, baroewangna sok moedal misah djeung tjai, tapi saĕnjana henteu kitoe. Biwirna noe ti loehoer tjěpak sarta leuwih pandjang tibatan noe ti handap. Gawena sapěrti toelale deui, paranti ngarawel naon-naon noe rek dihakan. Tonggongna legok sapěrti sela djeung aja koelit gěgěblegan ngagantoeng saperti sabrak. Soekoena pondok sarta gěde djeung boentoetna djeber sapěrti pangarih. Beuteungna kanděl sarta boerajoet. [ 51 ]Koelitna kanděl katjida sarta kasar karadak sapěrti tjampědak, djeung dina sela-selana koelit noe bareulah sok bilatoengan. Boeloena baradag sarta hareuras tapi tjarang. Ari tjitjingna dina tanah noe betjek sarta reja leutakan, da manehna resepeun pisan goejang, Kitoe deui hiroepna tara ngaboeboehan saperti gadjah, pangreja-rejana ngan oekoer tiloe. Ari tjitjingna di padataran goenoeng, dina leuweung noe soenji, noe teu kasaba koe djalma. Di dinja sok kapanggih tapakna gěde sarta djěro, da awakna beurat pisan.

Ari kahakanan badak nja eta dangdaoenan, dahan-dahan djeung tatangkalan noe laleutik.

Si Kasim: „Koemaha ari soekoena, tjara soekoe moending aja tjekeran?”

Si Ardjan: „Hěnteu, ari badak mah tjara koeda aja talapokan, tapi dina hidji soekoe aja tiloe talapok ngarijoeng djadi hidji.”

Si Kasim: „Naha ěnja ari badak sok ditoempakan poetri ?”

Si Ardjan: „Ari bedja ti noe sedjen mah ěnja kitoe, ari tjek bapa mah henteu, karana bapa oge mindeng nendjo badak, tapi tatjan manggih poetri hidji-hidji atjan.”


XXVIII. BOEDAK BAGEUR.

Si Djoemin boedak miskin, tapi bageur. Ari gawena roepa-roepa: aja ngangon domba, ngarit, matjoel di sawah bapana djeung reja-reja deui. Kabeh pagawean, sakoer noe ditoedoehkeun koe bapana, tara dipoengpang ditoeroet bae. [ 52 ]Dina hidji mangsa Si Djoemin ngangon domba djeung batoer-batoerna. Ari di antara eta boedak aja hidji anak tatanggana, ngaranna Si Kampeng, kataradjang gěring moerijang. Koe sabab panas-tiris, manehna ngěděng handapeun tangkal waroe sarta gegěroan ka batoerna, menta pangnjijoekkeun tjai, hajangeun nginoem. Ari batoerna, djeung daraek mah, anggoer beuki djaraoeh ngagiringkeun dombana.

Katjarioskeun Si Djoemin mah henteu kitoe; manehna katjida pisan karoenjaeunana sarta toeloej njijoek tjai ti soesoekan, make daoen waroe sarta diinoemkeun. Geus kitoe Si Djoemin ngala papagan waroe, dibeungkeutkeun kana tarangka Si Kampeng.

Barang srengenge geus soeroep sarta meudjeuhna balik, Si Djoemin soesaheun katjida, sabab Si Kampeng ngěděng keneh bae, taja taksiran bisa balik. Toeloej bae digandong koe Si Djoemin, bari ngagiringkeun dombana.

Ari datang ka imah Si Kampeng, indoeng bapana tarimaeun pisan, sarta Si Djoemin dibere anak domba hidji.

Děmi isoekna deui Si Djoemin ka leuweung, sědjana rek ngala soeloeh baris djoewaleun ka dajeuh. Barang něpi, manehna manggih doewa paninggaran djeung pandakawanana, keur areureun handapeun kai anoe ijoeh. Teu lila eta djalma teh maradjoe deui běbědil.

Koe tina panas djeung tjape, Si Djoemin eureun dina handapeun kai oeroet paninggaran teja. Barang ngalijeuk ka gigireunana, beh manehna manggih loket dieusi doewit ringgit djeung roepijah. Tina běrěsih atina geuwat manehna njoesoel paninggaran teja, sědjana rek njanggakeun eta loket reudjeung eusina. [ 53 ]Teu lila kasoesoel sarta eta loket ditampa koe noe boga. Ana diboeka doewitna weuteuh keneh, teu koerang sapeser-peser atjan.

Noe boga doewit teh atoheun pisan, rehna rek meunang tjilaka teu toeloes, sarta toeloej Si Djoemin dipěrěsen saroepijah.


XXIX. NOE MALING KATJĚKĚL.

Dina hidji lemboer aja hidji djalma beunghar sarta teuing koe berehan. Manehna henteu boga anak hidji-hidji atjan, koe sabab eta rěsěpeun pisan njoekakeun ka sakabeh baroedak noe aja di lěmboer eta, karana pikirna: pikeun naon boga banda taja noe ngahakan?

Dina saminggoe sakali sakabeh baroedak ditjaloekan, dibawa oelin djeung disoegoehan kahakanan anoe ngareunah.

Dina hidji mangsa, keur waktoe baroedak disoegoeb make boewah-boewah pěsekeun, toeloej baroedak teh kabeh dibere ngindjeum peso, sarta maranehanana pada soeka ati, soekan-soekan njaratoe boewah.

Katjaritakeun di antara eta baroedak aja hidji noe sok daek tjětjěrěměd, ngaranna Si Tihoel.

Pangirana eta peso oeroet měsek boewah teja, moal diitoeng deui; toeloej koe manehna diasoepkeun kana pesak.

Barang geus toetoep aroelinna, sarta rek djoeng arindit, peso teh dibilang, bět henteu aja hidji. Tjarek noe kaja: Baroedak! mana peso teh hidji deui? Kadijeukeun geura poelangkeun! Tatapi sakabeh baroedak wěleh taja anoe ngakoe, pokna: „Geus moelangkeun.” [ 54 ]Tidinja noe kaja nejangan akal, soepaja eta peso kapanggih deui. Kaběněran waktoe harita geus boerit; toeloej andjeunna miwarang boedjangna njeungeut lampoe dina kamar. Eta lampoe toeloej dikoeroengan koe katel, datangka eta kamar kabeh powek. Geus kitoe noe kaja sasaoeran ka baroedak, lahirna: „Baroedak! kadarijeu arasoep kabeh, eta anoe maling peso engke ditoedoehkeun koe ijeu katel.” Eta baroedak tingrareu-ngeuh henteu ngahartieun, ari pangirana eta katel bisa ngomong, moepoelihkeun anoe maling.

Lahir noe kaja: „Pek baroedak, pada njagap birit katel." Toeloej baroedak teh pada njagap. Tatapi Si Tihoel njagapna hěnteu dikeunakeun, ngan oekoer dioengkoelkeun bae, karana pikirna, lamoen dikeunakeun, geus tangtoe eta katel ngomong ngabedjakeun, jen manehna maling peso.

Barang geus rada lila, eta noe kaja miwarang boedjangna moeka katel toetoep lampoe teja. Barang braj diboeka, toeloej leungeun baroedak teh kabeh diilikan, sarta kabeh harideung; ngan leungeun Si Tihoel bae běrěsih, taja pisan oeroetna. Lahir noe kaja: Tah! tetela maneh anoe maling peso teh! Si Tihoel tjitjing bae, teu lemek teu njarek; barang dirahrah, tetela eta peso aja dina pesakna. Geus kitoe datang baroedak noe loba, aja noe njiwit, aja noe ngadjěmbel djeung djaba ti eta. Si Tihoel tjeurik gegěroan, toeloej balik ka imahna. Ti waktoe harita manehna tara tjampoer djeung batoerna, sabab teu daraekeun dibatoeran.


[ 55 ]

XXX. ANOE BANGOR SOK MEUNANG TJILAKA.

Si Salim boedak bangor, rěsép katjida ngaheureujan. Dina hidji mangsa Si Salim njampeurkeun batoerna noe keur langlajangan, sarta ngomong, pokna:

„Dewek ngadjaran Hanan!”

Tjek Si Hanan: „Ah ěmboeng.”

Tjek Si Salim: „Abong euj, sakeudeung bae.”

Omong Si Hanan: „Ěmboeng, sijeun dileupaskeun.”

Tjek Si Salim: „Mowal! mowal!”

Toeloej koe Si Hanan dibikeun. Barang eta boedak keur bongoh, eta langlajangan dileupaskeun. Si Hanan tjeurik, bari ngarontok ka Si Salim datangka manehna roeboeh sarta papakejanana sosoweh.

Isoekna Si Salim nendjo kareta ngaliwat, teu aja loporan, toeloej koe Si Salim dioedag. Koesirna gegěroan, pokna: Oelah toempak, oelah toempak, beurateun!

Tapi eta boedak teu ngagoegoe, keukeuh bae toempak dina pangloporanana.

Koesirna ngamběk bari malikkeun pětjoetna ka toekang; pětjoet meulit kana beuheung Si Salim datangka manehna tjeurik gěgěroan sarta ngaragragkeun maneh. Sababraha powe Si Salim teu bisaeun kaloewar koe sabab raheut beungeutna, tapi wěleh teu daekeun kapok.

Teu lila manehna koe bapana dibawa ka hoema. Ari geus datang, bapana ngomong, pokna:

Salim, silaing tjitjing di saoeng oelah djaoeh, bapa rek digawe.

Tjarek Si Salim: „Seg bapa.”

Tapi sanggeus bapana rada djaoeh, Si Salim nejangan [ 56 ]djamboe dina roejoek. Barang geus meunang sababraha, toeloej manehna nendjo sajang engang, ngagantoeng dina kai. Si Salim atoheun pisan, sarta ngomong: „Lah, eta sajang engang koe aing rek ditimboel, sarta lamoen engang ngoedag ka aing, aing rek loempat njamoeni ka saoeng.”

Toeloej eta sajang ditimboel koe batoe běněran pisan. Engang haliběr kaloewar, toeloej ngaroedag njareureudan kana beungeutna djeung kana awakna. Si Salim gegěroan, menta toeloeng ka bapana sarta goegoelingan. Teu lila bapana datang, geuwat Si Salim dirontok sarta dibawa loempat ka saoeng. Geus kitoe bapana njaboet ikětna, dipake ngěpoek eta engang něpi ka bejak paraeh. Tapi beungeutna djeung awakna Si Salim barareuh sarta manehna teu bisaeun leumpang, balikna oge digandong koe bapana. Ari datang ka imahna ditambaän, tapi tjageurna rada lila, datangka sababraha minggoe manehna teu daekeun oelin deui.


XXXI. LOERAH.

Dina hidji distrik aja hidji desa, beres pisan pamarentahanana, datangka loerahna meunang gandjaran ti Gouvernement bintang paroenggoe. Eta loerah pintěr sarta soehoed ngalampahkeun pagawean. Naha maraneh njaho, naon pagawean loerah djeung sabraha djalma noe noeloeng?

Ari noe djadi parentah-desa nja ijeu: loerah, djoeroetoelis, poelisi, mandor, toewa-kampoeng, oeloe-oeloe djeung lĕbe. [ 57 ]Ari pagawean loerah kijeu:

Noe kahidji: ngoeroeskeun pěrkara poelisian, saperti noe maling, noe paseja djeung katjerewedan djaba ti eta. Ari anoe miloe kana eta pěrkara, poelisi.

Noe kadoewa: marentah ngěbon kopi ka somah-somah. Noe noeloeng kana pagawean eta njaeta mandor.

Noe katiloe: marentah ngome djalan, sarta anoe noeloeng kana pagawean eta toewa-kampoeng. Noe kaopat: dina saminggoe sakali loerah koedoe koempoelan ka katjamatan atawa ka pakěmitan, ngalaporkeun aja sabraha djalma djeung sato anoe paeh djeung noe didjoeroekeun dina sadjěro minggoe eta. Děmi noe ngoeroes pěrkara eta, djoeroetoelis.

Noe kalima: nagihan oewang padjěg ti somah-somah. Lamoen geus reja, toeloej eta oewang dilaporkeun koe maneh atawa koe djoeroetoelis ka kollekteur. Tina oewang padjěg loerah meunang kaoentoengan 8 persen, těgěsna 8 roepijah tina 100 roepijah.

Lamoen aja toewan Assistent resident atawa toewan Controleur ngaronda kěbon kopi, loerah koedoe mapag di watěs distrik toempak koeda, toeloej ngiring andjeunna ngaronda ka goenoeng.

Ari oeloe-oeloe gawena ngomean tjai noe ngotjor kana sawah-sawah, atawa měněrkeun tjai ka oenggal soengapan, bisi aja djalma gěde teuing mawana tjai.

Ari lěbe pagaweanana marentah pěrkara agama, sapěrti noe kawin, noe nalak, noe paeb djeung reja-reja deui. Tapi noeloeng oge kana pěrkara sedjen sapěrti ngoerisan, djeung lamoen loerah keur riboet, sok noeloeng oge nagihan oewang padjeg atawa marentah.

Děmi loerah diangkatna koe toewan Resident [ 58 ]sanggeus nampa panglaporna Wadana djeung toewan Controleur. Ari noe didjadjikeun loerah, njaeta djalma beunang milih somahan.


XXXII. SOEWALAN.

  1. Aja hidji kětjap anoe beunang dibagi doewa: ketjap noe kahidji noedoehkeun bagian dina oenggal-oenggal imah, tapi ajana diloehoer-loehoer; ari kětjap noe kadoewa bagian awak noe pangloehoerna. Oepama dikantetkeun djadi ngaran tangkal. Naon eta?
  2. Aja deui hidji kětjap noe beunang dibagi doewa: kětjap noe kahidji ajana dina bagian oenggal-oenggal gědong; kětjap noe kadoewa nja eta parabot dahar; doewanana lain djijeunan di poelo Djawa. Oepama dikantetkeun djadi ngaran kěmbang. Naon eta?
  3. Djeung aja deui hidji kětjap noe beunang dibagi doewa eta doewanana noedoehkeun bagian imah. Oepama dikantetkeun djadi ngaran tangkal. Naon eta?

XXXIII. TANEUH PORANG.

Aja doewa boedak lalaki sosobatan, noe hidji ngaranna Samdji, noe hidji deui ngaranna Tarwan. Dina hidji powe eta doewa boedak leumpang babarengan ka těgal, narejangan taneuh porang sisi gawir, toeroet-toeroet soesoekan. Barang maranehanana geus meunang taneuh, toeloej baralik. Tidinja Samdji silihtanja djeung Tarwan, kijeu pokna: [ 59 ]Samdji: „Silaing rek njijeun naon?”

Tarwan: „Dewek mah rek njijeun moemoendingan.”

Samdji: „Keun atoeh, dewek rek njijeun wawajangan.”

Tarwan: „Hajoe oerang paheula-heula anggeus.”

Samdji: „Ah, tjoemah ari roesoeh mah, sok goreng.”

Tarwan: „Nja eta oerang diadjar gantjang digawe.”

Samdji: „Hajoe atoeh, engke oerang silih-ilikan.”

Baroedak teh tingkoesoewěl tingdarěkoel pada paheula-heula anggeus. Henteu sabaraha lilana geus aranggeus, toeloej silih-běněrkeun kakoeranganana.

Tarwan: „Naha ijeu teh tjeulina loehoer sabeulah djeung lijang-iroengna gěde sahidji?”

Samdji: „Tjing kadijeu, oerang běněrkeun.”

Tarwan: „Tjoba kari noe dewek ilikan.”

Samdji: „Wah, mowal ěnja aja soekoe moending barěběng kijeu, djeung tandoekna henteu saroewa kěroengna.”

Tarwan: „Hih, gampang eta mah oerang omean baé.”

Samdji: „Heh atoeh! da oerang teh geus silih-běněrkeun.”

Tidinja datang batoerna ngaranna Sean, njampeurkeun ka noe doewaän teh, bari mawa moemoendingan, anoe geus meunang noehoerkeun. Toeloej ngadjak ka Si Tarwan ngadoe moemoendingan.

Geus kitoe gěr diadoekeun diteunggar-teunggarkeun. Ari noe eleh nja eta noe Si Tarwan, sabab baseuh keneh, toeloej disoerakan: „Keok! keok!”

Tjek Si Tarwan: „Tjoba Sean dewek ngilikan anoe silaing. Hih, meureun bae, da ijeu mah geuning geus toehoer.”

Keur waktoe goeněmtjatoer kitoe, datang deui hidji boedak, anoe měntas sakola, ngaranna Emod. Tjek [ 60 ]Ěmod: „Tjoba dewek mah rek njijeun matjěm baroe, kadijeukeun taneuhna djeung eta papan anoe ngagoler.

Tidinja pek Ěmod njijeun angka koe taneuh, tina hidji něpi ka doewawělas; toeloej diteundeun dina papan sarta dirijoengkeun sapěrti angka dina djam- djaman. Geus kitoe njijeun djaroemna doewa pikeun noedoehkeun waktoe.

Omong Ěmod: „Geura euj tarendjo, oerang ajeuna boga djamdjaman.” Batoerna pada raresepeun nendjo beubeunanganana Emod, sarta nanjakeun ngaranna hidji-hidjina angka. Toeloej pada njaroba njijeun angka, ari Emod njijeun moemoendingan.

Teu lila djol loerah rek ngaronda lěmboer; barang ningali baroedak noe keur goegoendoekan, toeloej disampeurkeun. Tidinja andjeunna sasaoeran:

„Beunang saha eta angka noe dina papan?”

Wangsoel Ěmod: „Beunang djisim koering.”

Loerah: „Saha maneh ngaran?”

Wangsoelna: „Poen Ěmod noen.”

Loerah: „Ěmod, eta pagawean maneh hade katjida, mětakeun pangadjaran di sakola, lamoen maneh kitoe lampah, geus tangtoe tereh pintěr.”


XXXIV. NGORA KENEH TAPI PINTĚR.

Dina hidji sore aja hidji toekang ngangon domba, ngagiringkeun dombana, rek dibawa balik. Aja hidji anak domba katinggaleun di těgal, tina sabab kaheësan dina handapeun salijara.

Barang tengkat toeloej njoesoel ka batoerna, tapi [ 61 ]matak karoenja pisan, ditengah djalan eta anak domba papapag djeung adjag. Pikirna anak domba teh, nja ajeuna bakal manggih balai, sabab taja pětana bisa ngědjat.

Anak domba tjoengas-tjingeus, nejangan akal. Kapareng barang anak domba ngareret ka sisi djalan, aja soeling toekang ngangon domba katinggaleun, toeloej bae koe anak domba teh dipake akal, soepaja kaloewar tina balai.

Adjag beuki ngadeukeutan bae, sarta soengoetna tjalawak. Atoeh anak domba teh geus teu kira-kira ngadegdegna.

Tjek anak domba: „Adjag, sampean tangtoe rek ngahakan ka kaoela, nja!” Wangsoel adjag: „Geus, montong diomongkeun deui.”

Omong anak domba: „Bo adjag, kaoela tangtoe paeh, tapi samemeh paeh teh kaoela aja pamenta heula.”

„Naon!” tjek adjag bari ngamběk.

Tjek anak domba: „Eh, kaoela teh resep pisan ngadengekeun sora tandji, soemawonna sora soeling. Lamoen kaoela geus ngadenge sora soeling mah, mangga bae rek dikijeu-kijeu oge.”

„Ngan sakitoe bae pamenta maneh teh, euweuh deui ?" tjek adjag teh. Heg koe kami rek dipangnjoelingkeun heula.”

Tidinja adjag toeloej njokot soeling, pek ditijoep, sorana kadenge ka mana-mana.

Barang andjing-andjing toekang ngangon ngadenge sora soeling, toeloej maroeroe noetoerkeun datangna sora, maroekanana doenoenganana njaloekan ka maranehna.

Adjag ngeunah-ngeunah bae njoeling; teu kanjahoan [ 62 ]deui andjing tiloe bareng ngarontok adjag, sarta toeloej pada ngareweg datangka paehna. Ari anak domba teja mah salamět, toeloej balik.


XXXV. SAPATOE GĚLAS.

Dina hidji lěmboer aja doewa toekang tani, noe hidji ngaranna Dipa, noe hidji deui Pa Kasrěm. Dina hidji powe maranehanana reureudjeungan ka sawah. Barang keur di djalan, Dipa nendjo anoe herang-herang, top ditjokot; ari diilikan bět sapatoe gělas. Manehna heraneun pisan sarta ngomong ka Pa Kasrěm, pokna: „Ijeu kaoela mah bět manggih barang kijeu!”

Tidinja eta sapatoe diarilikan koe doewaän, hareraneun pisan, tina sabab saoemoerna teu atjan nendjo barang anoe kitoe.

Toeloej maradjoe deui. Barang geus meunang doewa lengkah, Pa Kasrěm nendjo deui noe herang di sisi djalan; ana ditjokot bět sapatoe gělas noe sabeulah deui. Gantjang Pa Kasrěm njampeurkeun ka Dipa, sarta ngomong, pokna: „Dipa, koela ge bět nimoe ijeu geura!” barina ditembongkeun. Ana diilikan bět papasanganana noe tadi teja.

Tjek Dipa: „Dikoemahakeun ijeu teh koe oerang? da di kaoela mah ijeu teh taja pigaweëunana, dipake koe sorangan mowal asoep, dibikeun ka pamadjikan pon njakitoe deui, dipake koe anak da henteu loembrah, anggoer dipitjeun deui.”

Keur waktoe goeněmtjatoer kitoe, aja hidji nini-nini ngaliwat, ngadenge omongan ki Dipa kitoe, toeloej ngomong pokna: „Ih oedjang, eta sapatoe oelah [ 63 ]dipitjeun, karana lain sasapatoe-sapatoena, eta teh sapatoe djimat. Ari noe kagoengan Agan Poetri, noe matak katinggaleun keur waktoe angkat palěbah dijeu roesoeh katjida. Anggoer bawa ka imah, ampihan sing hade; geura engke ge aja noe njoesoel, piwarangan Agan Poetri. Nadjan rek didjoewal sabaraha oge, moboeroeng digaleuh. Samalah ajeuna ge Agan Poetri geus oeningaëun, jen eta sapatoe aja di oedjang.”

Dipa djeung Pa Kasrěm saroekaeun pisan, rehna aja noe ngingětan kitoe, samalah aja pikirna rek moelang tarima. Tatapi barang direret, eta nini-nini geus teu aja sarta henteu poegoeh losna.

Geus kitoe Dipa djeung Pa Kasrěm toeloej baralik. Barang datang ka pamadjikanana, toeloej tjatjarita sapěrti noe geus diseboet tadi.

Katjaritakeun eta Ki Dipa djalma koret, ari karěsěpna daek ngala ěmboeng ngaloewarkeun, atawa daek menta ěmboeng mere, děmi Pa Kasrěm mah henteu kitoe.

Keur waktoe Ki Dipa njarita ka pamadjikanana, aja noe ngětrokan panto menta asoep. Barang diboeka pantona bět djalma kate, njorendang kantong, sěmoe-semoe noe rek dagang. Eta djalma kate saĕnjana lain djělěma, nja eta djin, piwarangan Agan Poetri teja. Toeloej ngomong ka Ki Dipa, pokna: „Andjeun teu kagoengan djoedjoewaleun ?”

Dipa: „Henteu, sakabeh oge barang kaoela mah pěrloe bae.”

Kate: „Apan sampean kagoengan sapatoe gělas, naha mowal didjoewal?”

Dipa: „Eh, enja! tapi da mowal didjoewal ari moerah-moerah mah.” [ 64 ]Kate: „Kadijeukeun, koe koela dibeuli saratoes ringgit.”

Dipa: „Ih, mowal! nadjan sareboe ringgit oge.”

Kate: „Sareboe ringgit kadijeu, heh ijeu doewitna kontan.”

Dipa: „Ari keukeuh mah seug bae, tapi hajang sapamenta kaoela.”

Kate: „Seg! Naon atoeh kahajang sampean teh?”

Dipa: Pedah kaoela boga sawah saeutik, moending sarakit djeung woeloekoe sahidji. Ajeuna, lamoen sampean daek meuli koe sadjalan woeloekoe saringgit mah, teu djadi naon.”

Kate: „Seug! kadijeukeun bae sapatoena geura bikeun.”

Ki Dipa teu pěrtjajaeun, sok sijeun dibobodo. Omongna: „Ih, ĕngke rek ditjoba heula, lamoen geus kadjadian, kakara dibikeun.”

Kate: „Hade, tjig bae geura tjoba.”

Toeloej Ki Dipa ka sawah sarta woeloekoena dipasang. Barang prak meunang sadjalan, beh saringgit, kadoewana beh deui saringgit, katiloena nja kitoe deui.

Tidinja kakara Dipa pěrtjaja, sarta eta sapatoe toeloej dibikeun. Barang eta djalma kate geus nampa sapatoe, les bae leungit teu kanjahoan djigna.

Ti harita Ki Dipa saban powe taja deui gawena kadjaba ti ngawoeloekoe bae, malah waktoe dahar mah kaliwat-liwat, tina bawaning rěsěp moeloengan ringgit. Ngawoeloekoena ti barang mělětěk srengenge něpi ka boerit. Djeung deui ari tjaäng boelan mah, ti peuting oge sok ngawoeloekoe. Ari dibatoeran koe boedjangna, soemawonna nitah, henteu daekeun, da sijeun ditjokotan ringgitna.

Moending-moendingna geus baregang pisan, tina [ 65 ]sabab seubeuh koe gawe koerang parab. Ari pěti-pětina geus pinoeh koe ringgit, tatapi Ki Dipa ngahantěm bae ngawoeloekoe, toengtoengna manehna brěk gěring. Sakitoe keur gěring pajah manehna, ari kana ringgit mah ingět bae, sijeuneun ditjokotan koe batoer.

Lila-lila Ki Dipa gěringna beuki pajah, sarta teu mangkoek satengah boelan manehna geus aja di astana.

Tah kitoe toengtoengna djalma koret teh; keur naon ngampihan doewit pěti-pěti, ari teu kahakan mah.


Katjaritakeun eta djalma kate, sanggeusna ti Ki Dipa, toeloej ka Pa Rasrěm rek meuli sapatoe noe sabeulah deui teja. Barang datang toeloej ngětrokan panto.

Pa Kasrěm: „Saha eta di loewar?”

Kate: „Boeka panto! kaoela rek ka sampean.”

Barang braj pantona diboeka, toeloej djalma kate teh asoep.

Kate: „Sampean teu boga djoedjoewaleun ?”

Pa Kasrěm: „Hěnteu, kabeh oge barang kaoela mah pěrloe bae.”

Kate: „Apan sampean boga sapatoe gělas, naha mowal didjoewal?”

Pa Kasrem: „Eh, ĕnja! tapi taja pětana didjoewal ari moerah-moerah mab.”

Kate: „Kadijeukeun, koe koela dibeuli saratoes ringgit.”

Pa Kasrěm: „Ah, mowal!”

Kate: „Kadijeukeun, koe koela dibeuli sareboe ringgit, heh ijeu doewitna kontan!”

Pa Kasrěm: „Ih alah, pon sareboe ringgit, nadjan leuwih ti sakitoe oge mowal didjoewal. Tatapi ari [ 66 ]sampean keukeuh mah, seug, tapi koedoe dáek sapamenta kaoela.”

Kate: „Seug; naon atoeh kahajang sampean teh?”

Pa Kasrem: „Geura reungeukeun, kaoela rek njarita heula: Kaoela teh djadi toekang tani sarta malarat, ari kaboga taja deui ngan sawah saeutik, woeloekoe hidji djeung moending leutik sarakit, koesabab kitoe ari dipake digawe teh sok ripoeh. Lamoen sampean daek noekeuran mah koe woeloekoe anoe aloes, noe seukeut landjamna, noe hampang ditarikna, toer gampang dipakena digawe, taja sawijos, djeung sawah kaoela hajang loba beubeunanganana.”

Kate: „Henteu aja deui pamenta sampean teh?”

Pa Kasrem: „Teu aja.”

Kate: „Eta mah seug, kadijeukeun bae sapatoe teh, kaoela rek balik.”

Pa Kasrěm: „Na mana ari woeloekoena?”

Kate: „Edas! koe keukeuh woeloekoe-woeloekoe bae. Heug kitoe nja kitoe, tjig ajeuna geura tejang ka pipir imah.”

Tidinja Pa Kasrěm toeloej ka pipir, ěnja eta woeloekoe teh geus aja. Geus kitoe sapatoe teh dibikeun, teu lila eta djalma kate leungit.

Isoekna eta woeloekoe toeloej diadjaran, ěnja seukeut pisan, hampang dipakena. Dina oesoem diboewat beubeunanganana eta sawah katjida pisan leuwihna batan ka toekang. Saban taoen kitoe bae, datangka lila-lila Pa Kasrěm djadi soegih, tjoekoep pikeun maraban djeung mere make anak ewena.

Tah kitoe kadjadianana djalma anoe běněr teh. Tjik měnding mana, djadi Pa Kasrěm atawa djadi Ki Dipa? [ Daptar eusi ]

EUSINA

1. Oetjing-oetjingan lambaran 1.
2. Kawoeng ’’ 2.
3. Marak ’’ 6.
4. Noe rajoengan ’’ 8.
5. Andjang-andjangan ’’ 10.
6. Tejangan kětjap-kětjap ’’ 12.
7. Kokoletjeran ’’ 13.
8. Boedak tjětjěrěměd ’’ 15.
9. Djangkrik ’’ 17.
10. Kadoe ’’ 18.
11. Boedak angon ’’ 20.
12. Kahoeroean ’’ 22.
13. Marijah djeung Samsi ’’ 25.
14. Ambil-ambilan ’’ 27,
15. Toetoeroetjingan ’’ 29.
16. Boedak tjoelika ’’ 30.
17. Ngakoet ’’ 31.
18. Pěpětasan ’’ 34.
19. Boedak hawěk ’’ 36.
20. Kalong ’’ 37.
21. Toekang kaleng ’’ 39.
22. Sapěrti noměr 6 ’’ 43.
23. Djadjan ’’ 43.
[ Daptar eusi ]
24. Hahajaman lambaran 45.
25. Djapati ’’ 46.
26. Soesoempit ’’ 48.
27. Badak ’’ 49.
28. Boedak bageur ’’ 51.
29. Noe maling katjěkěl ’’ 53.
30. Anoe bangor sok meunang tjilaka ’’ 55.
31. Loerah ’’ 56.
32. Soewalan ’’ 58.
33. Taneuh porang ’’ 58.
34. Ngora keneh tapi pintĕr ’’ 60.
35. Sapatoe gělas ’’ 62.

ANOE SALAH BĚNĚRKEUNEUN

Lembaran Djadjaran Salahna Běnĕrna
1 5 ti l. toewakampoeng toewa-kampoeng
’’ 3 ti h. saoerang sooerang
3 12 ti l. henteu hěnteu
8 5 ti h. njaahna njaähna
11 7 ti l. ngamong ngomong
’’ 15 ti l. batang datang
’’ 13 ti h. hinteu hěnteu
12. 6 ti l. tih teh
15. 10 ti h. randjang karandjang
20. 11 ti h. hěndeu hěnteu
21. 1 ti l. peuteujselong peuteuj-selong
40. 16 ti l. pan-jana pa-njana
’’ 3 ti. pepek pěpěk