Tjaritana Raden Moending Laja di Koesoema, Praboe Wira Kantjana, Mantri Anom Padjadjaran

Ti Wikipabukon
[ 36 ]

TJARITANA

RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA,

PRABOE WIRA KANTJANA,

MANTRI ANOM PADJADJARAN,

noe garwaän ka

NJAI DEWI ASRI

poetri

RANGGA POEPOEK BOENGA DJAJA.




Kawarnaha kang djoemĕnĕng ratoe ing Padjadjaran djĕnĕnganana PRABOE SILIWANGI. Geureuhana saratoes lima poeloeh, apoepoetra toedjoeh poeloeh lima.

Eta geureuha-geureuha djeung apoepoetra hĕnteu ditjarioskeun sadajana.

Katjarios ratoe PRABOE SILIWANGI ngĕrsakeun maren tina karatoean. Kagĕntos koe kang poetra, anoe ti geureuha pawarang, djĕnĕnganana KANTRI MANIK MAJANG SOENDA.

Apoepoetra djĕnĕnganana RADEN DJAKA MANGOENDJAJA, GOEROE ADJI MINADJAJA, PRABOE SENA PAKOEAN, PRABOE GOEROE GANTANGAN, kang djoemĕnĕng ratoe ing Padjadjaran ngagĕntos padjĕnĕngan rama.

Geureuha ratoe Padjadjaran djĕnĕnganana RATRA INTAN RATOE ĔMAS PAGOELINGAN.

Rakana saderek saiboe-sarama djĕnĕnganana PRABOE MALELA; pamoek ratoe PRABOE GOEROE GANTANGAN. [ 38 ]Kang pinoerwaän[1] geureuha PRABOE SILIWANGI djĕnĕnganana PADMA wATI; apoepoetra djĕnĕnganana MOENDING LAJA DI KOESOEMA, PRABOE WIRA KANTJANA, MANTRI ANOM PADJADJARAN.

Ditjaritakeun kakasepanana ĕnggeus teu aja tandinganana. Sadajana prawestri pada kaäsmaran matak ginggeung sadadajeuh tina kaäloesanana. Waktoe harita joeswana toedjoeh wĕngi, dikĕrsakeun dibinasa koe kangdjĕng rama.

PRABOE SILIWANGI ngadawoehkeun ka iboena: "he, PADMA wATI, poetra andika moedoe dibinasakeun sĕrta pisahkeun djeung njawana."

Oendjoekan geureuha: "hatoer soemangga."

Ladjĕng dikĕrsakeun, daek dipaehan waktoe harita.

Keur aja linggih saderekna nja ijeu PADMA wATI, oewana MOENDING LAJA DI KOESOEMA noe djĕnĕnganana RADEN KIDANG PANANDJOENG sarĕng RADEN GĔLAP NJAWANG disoehoenkeun ka PADMA wATI sarĕng dirĕboet koe oewana: "eta mowal pihadeëun, hanteu pantĕs, iboe maehan poetra; langkoeng saë dipandjara baë."

Ladjĕng kapasihkeun sĕrta ladjĕng dipandjara koe oewana di hoeloe dajeuh.

Lami-lami, katjarioskeun, kangdjĕng rama PRABOE SILIWANGI ngimpen ningalan langlajangan Kantjana domas, sowarana aja di sadjabaning langit ari noe boga goerijang toedjoeh.

Ari geus kitoe, ladjĕng miwarang ka geureuha pawarang djĕnĕnganana NJAI RADEN MANTRI: „andika ajeuna moedoe [ 40 ]ka lawang Balik salaka, ka NJAI PADMA WATI, toekang kĕtok Padjadjaran.”

Saĕnggeus dongkap ladjĕng NJAI RADEN MANTRI ngadawoehkeun timbalan kangdjĕng raka jen NJAI PADMA WATI moedoe ijang ajeuna ka Salaka domas, ka PRABOE GOEROE GANTANGAN mopojankeun impen kangdjĕng rama.

Ladjeng ijang NJAI PADMA WATI.

Geus pasondong djeung ratoe PRABOE GOEROE GANTANGAN, ladjĕng popojan, jen kangdjĕng rama ngimpen ningalan langlajangan Kantjana domas ajana di sadjabaning langit, ari noe boga goerijang toedjoeh. „Eta dawoehan kangdjĕng rama, koedoe dilajatan koe poepoetoe tigang atoes, soewan karo bĕlah toenggal, tjarios titigang lawe, pamoek dalapan rewoe, ponggawa doewa laksa, papatih dalapan poeloeh, gagaman sajoeta malang.”

„Eta dawoehan kangdjĕng rama geus ditimbalkeun koe kangdjĕng iboe!”

„Soemoehoen, geus kahartos, sĕrta tanwande ditimbalkeun pisan ka sadaja bala-rajat sakoemaha dawoehan kangdjĕng rama.”

Katjarioskeun ratoe PRABOE GOEROE GANTANGAN ngadawoehkeun ka papatih dalapan poeloeh: „ajeuna koedoe ngabĕnde ngoempoelkeun sadajana poepoetoe tigang atoes, soewan karo, bĕlah toenggal, tjarios titigang lawe, pamoek dalapan rewoe, ponggawa doewa laksa, papatih dalapan poeloeh, gagaman sajoeta malang.” [ 42 ]Uñjukan papatih dalapan puluh: "Hatur sumangga."

Lajĕng diparentakeun ngabĕnde, hĕnteu dicarioskeun lamina.

Lajĕng diuñjukeun ka ratu dumeh geus kumpul. Lajĕng ratu ngadawuhkeun ka para-saderek sadayana: "Ayeuna aya dawuhan kangjĕng rama Prabu Siliwangi mudu ngalayatan langlayangan Kañcana domas, ayana di sajabaning langit, ari nu boga guriyang tujuh."

Uñjukan para-saderek sadayana pisan: "Sakabeh-kabeh, ñanggakeun sĕsĕndu sĕrta beuheung teukteukeun; hanteu wĕrat ngalayatan."

Saenggeus kitu, ratu Prabu Guru Ganatangan hatur uninga ka kang ibu Padma Wati, dumeh-dumeh sadayana ñanggakeun beuheung teukteukeun, putra sadayana taya nu sanggup ngalayatan.

Lajĕng Ñi Padma Wati nguninga deui ka kangjĕng raka Prabu Siliwangi yen putra-putra sadayana teu aya anu sanggup ngalayatan.

Ari geus kitu, lajĕng rakana Prabu Siliwangi ngalahir: "Ñai Padma Wati, ari taya nu sanggup mah Ñai Padma Wati bae meureun dikĕrsakeun dibinasa sĕrta meureun dipisahkeun jeung ñawana."

Lajĕng Ñai Padma Wati nangis; eling ka putrana, ka Munding Laya di Kusuma.

Lajĕng angkat Ñai Padma Wati ka patapaän raka di hulu dayeuh jĕnĕnganana Raden Kidang Panañjung sarĕng Raden Gĕlap Ñawang naroskeun: "Putra Munding Laya di Kusuma, dangĕt ayeuna di mana ayana?"

Ngawalon rakana: "Naha, baheula rek dibinasakeun, ari ayeuna hayang mĕndakan! Teyang bae kana pañjara ayana di hulu dayeuh."

Lajĕng diteyang kapĕndak; ari lamina dina pañjara geus tujuh tahun.

Lajĕng naros putra Munding Laya di Kusuma ka ibuna: "Naon aya pikĕrsaeun jauh-jauh dijugjug, anggang diteyang?"

Iboena ngalahir: "Sumping ka diyeu teh, lain lantung [ 44 ] tamboeh lakoe, lain leumpang saparan-paran. Sĕdja tambaän kasoesah, teu kasait koe diri, taja deui noe dibelaan, anak noe pinjaiteun iboe boga karĕrĕpĕt. Ari asalna, dipiwarang koe rama Praboe Siliwangi nejangan noe diimpikeun koe kangdjĕng rama langlajangan Kantjana domas, sowarana aja di sadjabaning langit ari noe boga goerijang toedjoeh. Koedoe koe dilajatan poepoetoe tigang atoes, soewan djeung iboe karo bĕlah toenggal, tjarios titigang lawe, pamoek dalapan rewoe, ponggawa doewa laksa, papatih dalapan poeloeh, gagaman sajoeta malang. Tatapi sadajana teu aja anoe saranggoep, iboe pribadi koedoe ngalajatan. Oepami diri iboe hanteu sanggoep, meureun dibinasakeun sĕrta dipisahkeun djeung njawana iboe koe soenan rama Praboe Siliwangi. Ari ajeuna, doemeh dawoehan sakitoe, koe kang poetra dibelaän atawa hanteu, kasoesah iboe sakitoe.”

Oendjoekan kang poetra: "langkoeng wĕlas ka salira iboe doemeh kagoengan karĕrĕpĕt sakitoe banggana. Ajeuna kang poetra njoehoenkeun hibar sĕrta loeloes rahajoe manan iboe mah dibinasakeun koe kangdjĕng rama Praboe Siliwangi. Langkoeng sae diri kang poetra pribadi ngalampahkeun dawoehan kandjĕng rama tanwande leumpang saparan-paran. Ajeuna, iboe, oelah rĕdjag manah, kang poetra sipatna sĕdja ngabelaän kana karĕrĕpĕt iboe."

Ladjĕng Njai Padma Wati doemeuheus deui ka soenan Praboe Siliwangi ngoeninga jen dangĕt ajeuna aja noe sanggoep ngalajatan impen, poetra djĕnĕnganana Raden Moending Laja di Koesoema.

Ladjĕng kaget rama Praboe Siliwangi, sababna baheula ditimbalan koedoe dibinasakeun, ari ajeuna aja keneh.

Ladjĕng ngadawoehkeun ka rajina: "Njai Padma Wati eta Moending Laja di Koesoema titah ngalajatan, tapi moedoe dibahanan doehoeng Toelang tonggong Padjadjaran. [ 46 ]Ladjĕng Njai Padma Wati njandak doehoeng Toelang tonggong Padjadjaran sĕrta kapasihkeun ka kang poetra.

Geus katampi doehoeng, ladjĕng ijang tiloean: Raden Moending Laja di Koesoema sarĕng oewana Raden Kidang Panandjoeng sĕrta Raden Gĕlap Njawang ka sadjabaning langit.

Sindang di Moewara heres ka Njai Dewi Asri poetra Rangga Poepoek Boenga Djaja, iboena Njai Gandir Wangi.

Ladjĕng Njai Dewi Asri naros ka Raden Moending Laja di Koesoema: »soemping ka dijeu dek ladjĕng kamana?”

Ngadjawab Raden Moending Laja di Koesoema jen ajeuna kakang manggoel oetoesan, ngĕmban piwarang soenan rama ngalajatan langlajangan Kantjana domas, sowarana di sadjabaning langit: »Noe matak teja mah ka dijeu saprakawis, doewa prakawis. Anoe saprakawis ngoeninga ka sĕpoeh-sĕpoeh sadaja, kadoewa prakawis sĕdja ka Njai Dewi Asri pisan.”

»Doemeh kang raka langkoeng-langkoeng ewĕd manah mikiran salira, kang raji manawi kadjeueungna, hanteu djodokeun, sĕdja raka bela pati. Noe matak ajeuna naroehkeun pati, ngĕmbankeun piwarang kangdjĕng rama ngalajatan langlajangan Kantjana domas, sowarana aja di sabaning langit ari noe boga goerijang toedjoeh; kalajan malih tandaning gĕgĕling manah jeu beulitan anggo. Kang rake anggoeun beulitan angkeng kang raji. Tatapi poma-poma pisan oelah aja noe oeninga kagoengan beulitan ijeu, sanadjan kang iboe, Njai Gandir Wangi, oelah dioeningaän; nanging ari kang raka mah Ratoe Malela di patapaän sae dioeningaän. Djeung kang raka hanteu ngaälingan kakĕrsa." [ 48 ]„Saoepami rek tjarogean geura tjarogean, lamoen rek ngantos geura antos, ari kakang mah ngalampahkeun piwarangan tea beunang ditangtoekeun boelan tahoenna, karana koedoe boga kabeubeunangan.”

Ladjĕng ngawangsoel Njai Dewi Asri: „lamoen teu soemping raka Moending Laja di Koesoema ka Moewara beres geus mowal baë lakian.”

Ladjĕng angkat Raden Moending Laja di Koesoema ti Moewara beres.

Dongkap ka Poelo Poetri, kapĕndak sarĕng jaksa ngagadoeh eta Poelo Poetri, ari ngaranna eta jaksa Djonggrang Kala Pitoeng.

Ladjĕng pĕrang rame pisan. Meunang pĕrangna Raden Moending Laja di Koesoema; taloek eta jaksa, sarĕng njanggakeun diri. Sarawoeh njanggakeun djimat sĕrta ngoeningakeun djalana ka sadjabaning Langit.

Ladjĕng Moending Laja di Koesoema angkat njalira baë ka sadjabaning langit ari linggih oewana, Raden Kidang Panandjoeng djeung Raden Gelap Njawang ditilar di Poelo Poetri.

Teu lami Raden Moending Laja di Koesoema soemping ka sadjabaning langit. Ladjĕng kapĕndak sarĕng goerijang toedjoeh.

Dipoendoet langlajangan, hĕnteu disanggakeun. Ladjĕng dipĕrangan rosa pisan, meunang pĕrangna Raden Moending Laja di Koesoema, taloek eta goerijang toedjoeh, kantoen sidji, kabojong, ngaranna Moending Sang Kala Wisesa. [ 50 ]Katjarios anoe djĕnĕngan di Padjadjaran Raden Djaka Mangoenlaja, Goeroe Adji Minadjaja, Praboe Sena Pakoean, Praboe Goeroe Gantangan miwarang ka geureuhana Nyai Ratoe Intan: „ajeuna andika moedoe ijang ka toeang raka, ka Praboe Malela di patapaän. Djadi ajeuna moedoe dangdan baë, oerang djĕngkar ka Moewara beres, oerang ngalamar Njai Dewi Asri; dek dirĕpokkeun ka Raden Soentĕn Djaja.”

Saënggeus nampi dawoehan, Njai Ratoe Intan djĕngkar ka rakana Praboe Malela di patapaän.

Barang soemping, dipariksa dibageäkeun: „naon nja pikĕrsaeun soemping ka dijeu?”

Oendjoekan kang raji: „noe matak doemeuheus ngĕmban piwarangan ratoe Praboe Goeroe Gantangan jen kang raka ajeuna moedoe sadija sĕrta bakal ditjandak ka Moewara beres sĕrta ajeuna oge kang raka moedoe doemeuheus ka ratoe.” Djawab Praboe Malela: „hatoer soemangga, ajeuna oge sĕdja doemeuheus.”

Ditjarioskeun Praboe Goeroe Gantangan ngadawoehkeun ka papatih dalapan poeloeh: „ajeuna moedoe ngoempoelkeun para-saderek ratoe, para-ponggawa sadajana pisan, dikĕrsakeun didjajak ka Moewara beres.”

Saĕnggeus nampi dawoehan, papatih dalapan poeloeh marentahkeun ngoempoelkeun bala-rajat sadajana pisan.

Hĕnteu lami koempoel sadajana pisan sĕrta oendjoekkeun ka Praboe Goeroe Gantangan.

Kawarnaha Praboe Goeroe Gantangan sarĕng geureuha Njai Ratoe Intan djĕngkar ti Salaka domas ka Moewara beres. Diiring koe para-saderek, para-ponggawa sĕrta sadajabala-rajat, sĕrta ngadjajak sagala harta bade noekoeh, bade djajakkeun geureuha taja pisan kakiranganana sĕrta sadija sagala parabot. [ 52 ]Hénteu ditjarioskeun di djalanna.

Soemping ka Moewara beres, langkoeng-langkoeng ramena doemeh kusoempingan ratoe Praboe Goeroe Gantangan.

Ditjarioskeun Njai Raden Ratna Intan njaoer Njai Gandir Wangi, iboe Njai Dewi Asri: „kaoela hatoer oeninga kangdjĕng ratoe Praboe Goeroe Gantangan noe matak soemping ka dijeu, moendoet kang poetra Njai Dewi Asri ditikahkeun ka kang raji ratoe Parboe Goeroe Gantangan noe djĕnĕngan Raden Soenten Djaja.”

Oendjoekan Njai Gandir Wangi: „sakabeh-kabeh, lĕbah diri kaoela dipoendoet nja anak oelah moen anak, diri kaoela ratoe Praboe Goeroe Gantangan anoe kagoengan. Tanapi hatoer oeninga awitna ĕnggeus patoekeur tameuh[2] djeung Raden Moending Laja di Koesoema, parandene kitoe, sĕdja mariksa baë heulaän ka Nyai Dewi Asri.”

Ladjĕng Njai Gandir Wangi mariksa ka poetrana doemeh aja dawoehan Njai Raden Ratna Intan.

„Ajeuna, kang poetra, dikĕrsaken nikah ka saderek ratoe djĕnĕnganana Raden Soentĕn Djaja.” Hatoeranana Njai Dewi Asri: „samangsa ajeuna teu sĕdja lakian lamoen teu soemping Raden Moending Laja di Koesoema ti sadjabaning langit.”

Saĕnggeus kitoe, sahatoeranana Njai Dewi Asri, dioendjoekean ka Njai Raden Ratna Intan. Lahir Njai Raden Ratna Intan sĕrta para-saderekna ratoe Praboe Goeroe Gantangan: „Moending Laja di Koesoema mowal bisa datang deui, montong diarĕp-arĕp. Djeung deui, datangna oge euweuh pandanganana, djĕlĕma mararat, lain tjara Raden Soentĕn Djaja loehoer koeta, gĕde doenja, geureuhaän toeroen bantajan. Saha noe ngaleuwihan ka Soentĕn Djaja?”

Hatoeran Njai Gandir Wangi: „sĕdja nanja deui baë,”

Ladjĕng ditanja Njai Dewi Asri sĕrta diwoedjoek-woedjoek: ajeuna, kang poetra, moedoe noeroet ka iboe sĕrta ka ratoe [ 54 ]moedoe daëk ditikahkeun ka Raden Soenten Djaja soegih moekti, beurat heunghar, loehoer Koeta, gĕde doenja, ewean toeroen bantajan.”[3]

Hatoeranana Njai Dewi Asri: „sakabeh-kabeh, njoehoenkeun agoeng pangapoentĕn, sadangĕt ajeuna teu sĕdja lakian.”

Ladjĕng iboena bĕndoe; datang ka dirangket Njai Dewi Asri koe iboena.

Ladjĕng Njai Dewi Asri angkat ka rakana noe keur tapa di hoeloe dajeuh djĕnĕnganana Ratoe Malela.

Kaget rakana ningali doemeuheus sĕrta bari nangis.

Ari dipariksa, tjatjarios jen dirangket koe soenan iboe. „Moedoe daĕk baë ditikahkeun ka Raden Soenten Djaja, kang raji-hanteu dak sĕrta ajeuna ratoe Praboe Goeroe Gantangann djeung geureuhana djeung Raden Soenten Djaja djeung ponggawa-ponggawa soemawonna bala-rajat ratoe geus koempoel di Moewara Beres.”

Ngalahir rakana: „koe sawab sakitoe kang raji, montong djadi kasoesahan sĕrta nalangsa kaliwat leuwih, ari ajeuna moedoe moelang deui baé Njai Dewi Asri ka Moewara Beres ka soenan iboe. Tatapi woeroek raka moedoe boga pepentaän ka Njai Ratoe Ratna lntan, papadjangan opat poeloeh leuwih hidji, papanggoengan opat poeloeh leuwih hidji. Reudjeung deui, di mana soemping Moending Laja di Koesoema isoek, sore nikah, soemping sore, isoek nikah djeung Moending Laja di Koesoema, hoewap lingkoeng djeung Moending Laja di Koesoema, toeroen hijas djeung Moending Laja di Koesoema. Sakitoe kitoe piwoeroek raka.” [ 56 ]Ari geus diwoeroek koe kang raka, ladjĕng moelih Njai Dewi Asri ka Moewara beres, poepoendoetan ka iboena.

Ladjĕng iboena aja pamoendoet ka Njai Raden Ratoe Intan sĕrta ka Raden Soenten Djaja. Ana ngawalon Njai Raden Ratoe Intan sĕrta Raden Soenten Djaja: „soemangga.”

Raden Soenten Djaja ngoeninga ka Ratoe Praboe Goeroe Gantangan dawoehan Ratoe Praboe Goeroe Gantangan: „sabraha baë pepentaänana Njai Dewi Asri, sanggoepan baë.”

Katjarios Raden Moending Laja di Koesoema moelang ti sadjabaning langit.

Dongkap ka Poelo Poetri, njampeur linggih oewana, Raden Kidang Panandjoeng, Raden Gëlap Njawang.

Moelang ka Moewara beres kapĕndak sarĕng Njai Dewi Asri, mapagkeun lĕbah leuwi Sipatahoenan.

Ari geus amprok, Raden Moending Laja di Koesoema bĕndoe ka Njai Dewi Asri.

Naros Njai Dewi Asri ka Raden Moending Laja di Koeseoma: „koemaha sababna, ari soemping ladjĕng bĕndoe baë?” Ngadjawab: anoe matak bĕndoe teh da geus boga Soenten Djaja sĕrta ngalahirkeun Soenten Djaja mah loehoer koeta, gĕde doenja, ewean toeroen bantajan.

Ari gens kitoe, Njai Dewi Asri ngadjawab ka Raden Moending Laja di Koesoema: „kadjeun teuing loehoer koeta gĕde doenja oge, teu hajang ka Soenten Djaja. Moen teu soemping Raden Moending Laja di Koesoema mowal lakian. Kadjeun kontrong-kontrong, kadjeun landjang dojong-dojong kadjeun poelang ngalongkejang soepaja kasep tjaroge, kadjeun bingkoeng njoehoen gadoeng, kadjeun bongkok njoehoen onggok barina nangis ngoeroet-oeroet indoeng soekoe, mĕntjet-mĕntjet gĕnteng bitis, leuheung bisoel dina toeoer, beunang didjĕngkoel-djĕngkoelkeun, tibar dina pengpelangan beunang didengkak-dengkakkeun, teu batan kahajang lakina.” [ 58 ]Sanggeus kitoe, njatjarekkeun, kijeu pokna ka Raden Moending Laja di Koesoema: behna mah:

Lalaki kĕmbang kamangi,
lalanang kĕmbang kawajang;
lalaki teu rnatak mahi,
lalanang teu matak hajang.
Mijoeni hajam kabiri,
ngeplek djawer ngandar djangdjang,
koemejok eleh koe bikang.
Moen di lĕmboer kajoe randoe,
moen di leuweung kajoe dangdeur.
Dipake soeloeh teu hoeroeng,
dipake pantjar teu roehaj,
dipake tiboel teu ngadjĕntoel.
Dipake pamikoel bĕngkoeng,
dipake pangĕrĕt bingkĕng,
dipake toelak lawang parĕnggang.
Teu matak roegoel soerawoeng,
teu mantak boengbang djararak,
teu mantak parendeh sereh,
teu mantak engkang ka tjai.
Lamoen noemboek dina kawoeng,
atah tinggoer koerang ajoen,
lamoen noemboek dina lahang,
atah poepoet koerang raroe,

[ 60 ]

lamoen noemboek dina goela,
atah titir koerang goewis”.

„Dipisono njolowedor,” ngadjawab Raden Moending Laja di Koesoema, sĕrta reup beureum raj pijas pameunteuna, karana langkoeng-langkoeng nja adjrih sĕsĕmonan koe istri sakĕdap aja amarah.

Ari geus kitoe, ngalahir Raden Moending Laja di Koesoema ka Nyai Dewi Asri: „oepami kitoe mah nja pikĕrsaeun, sĕdja ngajoenkeun kana pikĕrsaeun, dagoan baë di Moewara beres.”

„Ari ajeuna mowal sindang ka Moewara beres karana dek njanggakeun langlajangan Kantjana domas ka goenoeng Goemoeroeh.”

Ladjĕng moelih Njai Dewi Asri ka Moewara beres.

Ditjarioskeun Raden Moending Laja di Koesoema geus soemping ka goenoeng Goemoeroeh nampi pariksaän ti soenan rama.

Praboe Siliwangi dawoehan: „koemaha prakara Ianglajangan Kantjana domas, kabawa ta hĕnteu?”

Oendjoekan Raden Moending Laja di Koesoema: „soemoehoen, kabantoen pisan sarĕng anoe gadoeh eta langlajangan; kabaktoskeun.”

Dawoehan soenan rama: „geus katarimakeun pisan sĕrta ijeu rama maparinkeun kĕris kasaktian. Ari ajeuna, Moending Laja di Koesoema, hade geura moelang deui baë ka Moewara beres toengtoengkeun lalakon ka Nyai Dewi Asri.”

„Sĕrta soenan rama ngelehkeun poepoetoe tigang ratoes, soenan karo bĕlah toenggal, tjarita titigang lawe, pamoek dalapan rewoe, ponggawa doewa laksa, papatih dalapan poeloeh, gagaman sajoeta malang.”

„Ari ajeuna, koemaha karĕp Moending Laja di Koesoema baë, taja goenoeng disingkoerkeun, taja lĕbak disingkahkeun ngan aja noe dititipkeun koe soenan rama Moending Sari [ 62 ]noe laleutik Rangga Meumeut beureum teureuh, pameunteu beureum sabeulah. Reudjeung deui, soegan dek ngadjadjah di boewana pantja tĕngah, di noesa tigang poeloeh, djeung deui moen tatjan rĕnoeng dawoehan, reundeuj piwarang, oelah waka moelang ka Moewara beres.”

Oendjoekan Moending Laja di Koesoema: „langkoeng-langkoeng noehoen aja hibar soenan rama sĕrta piwĕdjang sĕrta pasihan doehoeng, agoeng katĕda kasoehoen salangkoeng noehoen sijang wĕngi hibar soenan rama noe diadjĕng-adjĕng.”

Ditjarioskeun Raden Moending Laja di Koesoema moelih ka Moewara beres sĕrta geus soemping.

Katjarios deui, Moending Sangkala Wisesa di Sakapat malang naros wartos ka Raden Malela: „dek naon djĕlĕma loba-loba?” Ngawalon Raden Malela: „dek nikahkeun Soenten Djaja ka Dewi Asri.” Naros deui Moending Sangkala Wisesa: „ari Dewi Asri teh lengoh oetawa boga beubeureuh, naha, mana teu geura seug nikahna?”

Ngawalon deui Raden Malela: „karana poerwana noe matak tatjan seug ditikahkeun, Dewi Asri kagoengan poepoendoetan, moendoet Raden Moending Laja di Koesoema.”

Ladjĕng ngawalon deui Moending Sangkala Wisesa: „jen meunang tjarios Njai Dewi Asri teh patoekeur tameuh djeung Raden Moending Laja di Koesoema. Ari ajeuna dek noengtoengkeun Raden Moending Laja di Koesoema ka Dewi Asri, kari-kari njampak koekoempoelan dek ditikahkeun ka Soenten Djaja. Saha noe ngareremokeun Soenten Djaja ka Nyai Dewi Asri reueus loehoer koeta gĕde doenja. Ari ajeuna Soenten Djaja ngahina Raden Moending Laja di Koesoema, Soenten Djaja moedoe meunang dĕndaän.”

Ari geus kitoe, Moending Sangkala Wisesa ngalahir ka Nyai Dewi Asri: „ajeuna, Dewi Asri, moedoe dangdan toeroen hijas ka aloen-aloen.” [ 64 ]Ditjarioskeun Raden Moending Laja di Koesoema ningali Njai Dewi Asri toeroen hijas ka aloen-aloen ladjĕng ka papanggoengan.

Ari geus kitoe, Raden Moending Laja di Koesoema ngiringkeun ka papanggoengan sarĕng Njai Dewi Asri; meunang toedjoeh powe, toedjoeh peuting di papangantenna.

Teu ditjarioskeun karasmianana.

Ditjarioskeun Nyai Raden Ratna Intan ngoeninga ka rakana Praboe Malela: aja noe dihijas lami-lami teuing.” Ngalahir Praboe Malela, ka papanggoengan ngangkĕran anoe dihijas. Eta piwarangan teu koengsi. Dongkap ka papanggoengan, karana langkoeng-langkoeng sijeun nendjo Moending Sangkala Wisesa ngatjatjang di handapeun papanggoengan sĕrta ngasta doehoeng beunang matĕk, langkoeng-langkoeng adjrih eta piwarangan moelang deui.

Katingali koe Njai Ratoe Intan piwarang moelang deui, ditjarioskeun, Njai Ratoe Intan koe andjeun ka papanggoengan mĕndakan keur sarare Ratoe Moending Laja di Koesoema sarĕng Njai Dewi Asri. Ladjĕng disĕla dina pakoelĕmanana koe Njai Ratoe Intan, datang ka taranghi. Ladjĕng sasaoeran Raden Moending Laja di Koesoema lahirna: „soegan teh lain atjeuk.” Ari ajeuna lahir Nyai Ratna Intan: „oelah kitoe kang raji, bisi doraka.”

Ladjĕng Njai Ratna Intan loengsoer tina papanggoengan sĕrta ladjĕng ngoeninga ka rakana, ka Praboe Goeroe Gantangan: „panoehoen kang raji, mangke sore langkoeng saë pesta sĕrta njalamĕtkeun nikah Soenten Djaja ka Njai Dewi Asri.”

Saĕnggeus kitoe, Praboe Goeroe Gantangan ngarĕmpagan sĕrta ngadawoehkeun ka sadaja para-ponggawa: „ajeuna koedoe sadija poma-poma, oelah aja kakirangan, sore mangke ngĕrsakeun pesta sĕrta njalamĕtkeun nikah Soenten Djaja ka Njai Dewi Asri.” [ 66 ]Pada sakĕdapan lĕngkĕp sadawoehan dongkap kana waktoe pesta koempoel sadajana sĕrta panganten Soenten Djaja. Sarĕng Dewi Asri loengsoer toeroen hijas ajang-ajanggoeng djeung Raden Moending Laja di Koesoema, ditjalikeun kana medan sĕrta hoewap lingkoeng djeung Raden Moending Laja di Koesoema.

Katjarios Moending Sangkala Wisesa naros ka Ratoe Malela: „koemaha pepentaän Njai Dewi Asri, moega-moega ajeuna hajang diwĕdjang, soepaja kadangoe koe sadajana.” Djawabna Ratoe Malela: „pepentaän Njai Dewi Asri teh papadjangan opat poeloeh leuwih hidji, papanggoengan opat poeloeh leuwih hidji, keur papanggoengan djeung Raden Moending Laja di Koesoema, toeroen hijas djeung Raden Moending Laja di Koesoema, hoewap lingkoeng djeung Raden Moending Laja di Koesoema.”

Ari geus kitoe, Moending Sangkala Wisesa naros ka sadaja anoe linggih di medan: „eta pepentaän Njai Dewi Asri teh bĕnĕr atawa salah eta?” Sadajana noe linggih di medan taja noe ngadjawab. „Ari taja noe ngadjawab mah, panaros kaoela, eta pangrasa kaoela, nikah teh lain ka Soenten Djaja karana pepentaän Njai Dewi Asri papadjangan opat poeloeh leuwih hidji, papanggoengan opat poeloeh leuwih hidji keur papanggoengan djeung Moending Laja di Koesoema, toeroen hijas pahajeuk-hajeuk leungeun djeung Moending Laja di Koesoema, hoewap lingkoeng djeung Moending Laja di Koesoema, eta teu katjarios pisan Soenten Djaja hijas nikah ka Njai Dewi Asri.”

Ditjarijoskeun Praboe Goeroe Gantangan sĕrta Soenten Djaja, Praboe Malela langkoeng-langkoeng amarah.

Ladjĕng pĕrang di medan Raden Moending Laja di Koesoema, sarĕng Soenten Djaja, ditĕwĕk Soenten Djaja koe Raden Moending Laja di Koesoema, datang ka poepoes. Ladjĕng Raden Moending Laja di Koesoema ngandoeng Njai Dewi Asri barina pĕrang; mĕrangan poepoetoe tigang atoes, soewan karo bĕlah toenggal, tjarios titigang lawe, pamoek dalapan rewoe, [ 68 ]ponggawa doewa laksa, papatih dalapan poeloeh datang ka bejak, dipĕrangan koe Raden Moending Laja di Koesoema. Ngan dikarikeun gagaman sajoeta malang datang ka gagaberan panangan Raden Moending Laja di Koesoema koe gĕtih.

Ari geus kitoe bejak, moelang deui ka Poelo Poetri kadoewa Nyai Dewi Asri baë angkatna.

Katjarios doewa pamoek Raden Moending Laja di Koesoema djĕnĕnganana Moending Sangkala Wisesa djeung Moending Geger Malela keur ngamoek gagaman sajoeta malang.

Ditjarioskeun Njai Ratna Intan waktoe pepentaän maroeboes sarĕng poetra-poetrana.

Katjarioskeun Njai Ratna Intan moelih ti pamoeboesan noe ditjandak Moending Sani noe laleutik pameunteu beureum sabeulah djeung Maradja Mantri Soenda.

Saĕnggeus kapĕndak djeung Praboe Goeroe Gantangan, bĕndoe Njai Ratna intan sérta njatjarekkeun ka Praboe Goeroe Gantangan, saĕnggeus Raden Moending Laja di Koesoema pĕrang sĕrta bejak kabeh balad-baladna.

Njai Ratna Intan kataradjang nalangsa barina njanghoendjar lambar saoerna: „tjarek koering ti kamari, tjarek djompong ti bareto, idjab ti boelan katoekang. Sok njijeun gagat hariwajat, njijeun satroe djeung sadoeloer, njijeun bengkah djeung saderek, meunang tjadoe ti loeloehoer, meunang doraka ti wongatoewa, djadi lĕboer toetoempoeran, sĕrĕdan erep-erepan, lĕboer tjentang belejakan.”

Ditjarioskeun djawab Praboe Goeroe Gantangan ka Njai Ratna Intan: „Njai, oelah gedog pangkon rĕdjag manah sawab sakitoe! Njai, ajeuna moedoe ijang ka Sindang barang, ka Moending Pandji Bomalarang pangoeningakeun ka soenan oewa Moeroegoel Sang Mantri Agoeng. Pangoeningakeun ka oewa Moeroegoel Sang Mantri Agoeng nĕda ditoeloengan koe oewa, koedoe ka Moewara beres koe andjeun, ari ajeuna oerang Salaka domas geus bejak dipĕrangan. [ 70 ]Ditjarioskeun Njai Ratna Intan ijang ka Sindang Barang ka Moending Pandji Bomalarang, kokolot Oewa Moeroegoel. Toeloej Njai Ratna Intan dipariksa koe Moending Pandji Bomalarang: „Njai, dek angkat kamana dek naon aja pisĕdjaeun?” Djawab Njai Ratna Intan: „noe matak djaoeh-djaoeh didjoegdjoeg, anggang ditejang manggoel pioetoesan ngĕmban piwarangan goesti goeroe sĕmbaheun Praboe Goeroe Gantangan. Ari ajeuna peupeudjeuh djeung oelah hanteu nĕda dipanggoegahkeun Oewa Moeroegoel Sang Mantri Agoeng, nĕda ditoeloengan, koe oewa koedoe ka Moewara Beres, koedoe oewa koe andjeun, ari ajeuna oerang Salaka Domas geus bejak dipĕrangan, ari ngamoek teja Moending Sangkala Wisesa sarĕng Moending Geger Malela”.

Ngadjawab Moending Pandji Bomalarang: „soemangga, koedoe diantian baë koe Njai Ratna Intan.”

Ladjĕng Moending Pandji Bomalarang njandak gada wadja sagĕde gadjah biroewang. Ladjĕng diteunggeulkeun, datang ka sapoeloeh kali teu tanghi. Geus kitoe, ditewak boeloe borangna, dibeulitkeun kana dampal pananganana Moending Pandji Bomalarang djadi toedjoeh beulit bari ditintjak bintjoerangna.

Ladjĕng soenan oewa mariksa ka noe ngagoegahkeun, ka Moending Pandji Bomalarang: „dek naon nja pisĕdjaeun, mana ngagoegahkeun?” Ngadjawab Moending Pandji Bomalarang: „noe matak ngagoegahkeun kasoempingan Njai Ratna Intan.” Soenan oewa ngalahir: „sina ka dijeu baë Njai Ratna Intan.”

Ladjĕng moelang njaoer Njai Ratna Intan Moending Pandji Bomalarang, ngalahir ka Njai Ratna Intan: „Njai Ratna Intan, ajeuna disaoer koe soenan oewa ka patapaän.”

Ladjĕng angkat Njai Ratna Intan ka patapaän, ka soenan oewa.

Ladjĕng dipariksa koe soenan oewa: „ari ajeuna, Njai Ratna Intan dek ka mana djaoeh-djaoeh didjoegdjoeg, anggang ditejang?” Hatoeran Njai Ratna Intan: „noe matak djaoeh-djaoeh didjoegdjoeg, anggang ditejang, lain lantoeng tamboeh lakoe, lain lentang tanpa bedja. Ajeuna manggoel [ 72 ]pioetoesan ngĕmban piwarangan Praboe Goeroe Gantangan peupeudjeuh djeung oelah hanteu sasahat djeung geuna-geuna. Ajeuna soenan oewa diloeloengsoer linggih ka Moewara Beres nĕda pitoeloeng, karana oerang Salaka Domas geus bejak dipĕrangan, ari noe ngamoek Moending Sangkala Wisesa sarĕng Moending Geger Malela.”

Ngadjawab soenan oewa: „ĕnja koe oewa ge kanjahoän, beunangna bongan njijeun gagat heriwajat, njijeun satroe djeung sadoeloer, njijeun bĕngkah djeung baraja, meunang tjadoe ti loeloehoer, meunang doraka ti wongatoewa. Ari ajeuna keukeuh peuteukeuh mah Njai Ratna Intan nĕda toeloeng ka oewa: hatoer soemangga. Ari ajeuna geura moelih bae Njai Ratna Intan hatoerkeun ka toewang raka ka Praboe Goeroe Gantangan hatoer soemangga pisan, soenan oewa meureun ijang ka Moewara Beres.”

Ladjĕng moelih Njai Ratna Intan.

Katjarioskeun Njai Ratna Intan matoer ka tjaroge ngoeningakeun soenan oewa hatoer soemangga tanwande doemeuheus ka Moewara Beres. Ngandika Praboe Goeroe Gantangan: „soekoer sarewoe, gĕrah salaksa.”

Ditjarioskean soenan oewa Moeroegoel Sang Mantri Agoeng ngalahir ka Moending Pandji Bomalarang: „kadijeukeun papakean oewa, karana oewa rek ijang ka Moewara Beres. Kadijeukeun badjoe sĕnting koelit moending toedjoeh poeloeh lima ringrang djeung saboek kasang toedjoeh laboehan djeung doehoeng ĕloekna saloentjat kidang djeung topi beusi poerasani bobot karo bĕlah pikoel djeung parahoe beusi; oewa tara leumpang dina taneuh sijeun tjatjing. Reudjeung deui Moending Pandji Bomalarang, oewa koedoe ijang ka Moewara Beres.

Oendjoekan Raden Moending Pandji Bomalarang: „hatoer soemangga.”

Ari geus kitoe, Moending Pandji Bomalarang ngabeberkeun dampal leungeunna ditjabokkeun kana parahoe, toeloej ngapoeng soenan oewa djeung parahoena ngoengkoelan ka Moewara Beres. [ 74 ]Ari geus kitoe soenan oewa ngalahir: „baroedak koe narahaon paraseja?”

Kadenge koe Moending Sangkala Wisesa, teu bitjara deui Moending Sangkala Wisesa; toeloej pipapagkeun koe Moending Sangkala Wisesa ditjabok parahoena datang ka moelang deui ana ragrag di aloen-aloen Salaka Domas. Soenan oewa djeung parahoena datang ka goegoelingan di aloen-aloen sĕrta bĕndoe napsoe ngoewoeng amarah.

Katjarioskeun noe tatapa di goepit Tji-salak ngaranna Batara Soembat. Hoedang toeloej ngalajang ka aloen-aloen ka soenan oewa ladjĕng mariksa: „koe naon kolot kawas boedak.”

Kadangoe koe soenan oewa teu bitjara deui. Ladjĕng dirontok Batara Soembat koe soenan oewa toeloej datang ka pĕrang. Datang ka silih sered, silih dagor-dagorkeun, taja noe pada eleh, saroewa bae bĕdasna. Datang ka beulah taneuh aloen-aloen ladjĕng pĕrang di awang-awang pagoeloeng-goeloeng; datang ka hoedjan seuneu.

Katingali koe Njai Ratoe Mantri ladjĕng diasihan koe Njai Ratoe Mantri asihan si-boeroeng-poendoeng.[4] Ladjĕng [ 76 ]pisah, sĕrta toeloej maroelih soenan Oewa Moeroegoel djeung Batara Soembat ka patapaän; toeloej sarare deui.

Katjarios Praboe Goeroe Gantangan ngandika ka geureuhana Njai Ratna Intan: „hariroepan deui poepoetoe tigang atoes, soewan karo bĕlah toenggal, tjarita titigang lawe, pamoek dalapan rewoe, ponggawa dalapan laksa, papatih dalapan poeloeh, gagaman sajoeta malang.” Dipiwarang dihiroepan deui karana Moending Sangkala Wisesa djeung Moending Geger Malela geus ngapoeng ka mega malang.

Ladjĕng Njai Ratna Intan ngahiroepan Soenten Djaja, sarawoeh sadajana datang ka hariroep deui.

Saĕnggeus kitoe, ladjĕng boedal moelih ka Salaka Domas; tĕtĕp deui di Salaka Domas sadajana.

Ditjarioskeun Raden Moending Laja di Koesoema ngarsakeun mabakan di Poelo Poetri sĕrta mingkin tjahjana. Djadi sahidji mamanahanana sarĕng istrina Njai Dewi Asri, hĕnteu anggang sadjeungkal, hĕnteu djaoeh satoendjoek; djadi sahidji himi-himi saringkang rerendengan bawaning leuwih koe rasmi.

Katjarioskeun djĕnĕnganana Toendjangan Sari noe manggoeng laoetan dina parahoe beusi Tjaroek wadja, menak robek hatena bĕlang bajahna, sĕdja rek ngiwat Njai Dewi Asri.

Ari ajeuna kasampak di Poelo Poetri Njai Dewi Asri djeung Moending Laja di Koesoema.

Naros Toendjangan Sari ka Raden Moending Laja di Koesoema: „adjĕngan noe ti mana mabakan di Poelo [ 78 ]Poetri?” Ngalahir Raden Moending Laja di Koesoema: „kaoela teh oerang Salaka Domas, poetra Praboe Siliwangi, ari iboe Njai Padma Wati, noe tjalik di lawang Balik Salaka, toekang kĕtok Padjadjaran. Ari kaoela ngaran Moending Laja di Koesoema, Praboe Wira Kantjana, Mantri Anom Padjadjaran, Moestika Goenoeng Goemoeroeh. Noe matak mabakan di Poelo Poetri hajang rĕnoeng dahoewan, rĕndang pawarang”.

Naros deui Toendjangan Sari: „ari eta saha, istri?” Ngalahir Moending Laja di Koesoema: „Njai Dewi Asri niroe geulis ti Moewara Beres.”

Ari geus kitoe, Raden Moending Laja di Koesoema mariksa: „sampejan noe ti mana, rek naon nja pisĕdjaeun, saha nja ngaran, noe matak soemping ka Poelo Poetri?” Ngadjawab Toendjoengan Sari: „eh Moending Laja di Koesoema mariksa ka kaoela, kaoela oerang ti sawarga loka nja ngaran Toendjoengan Sari, ari sĕdja teh, rek ijang ka Moewara Beres nejang bebene ngaranna Njai Dewi Asri, anoe geulis di Moewara Beres. Ari ajeuna kasampak di Poelo Poetri djeung Moending Laja di Koesoema ajeuna dibikeun teu dibikeun, dipenta koe kaoela Njai Dewi Asri.”

Ngalahir Moending Laja di Koesoema ka Toendjoengan Sari: „oerang tanja baë djinisna Njai Dewi Asri.”

Ladjĕng Raden Moending Laja di Koesoema ngalahir ka Njai Dewi Asri: „Njai Dewi Asri, ĕnja boga beubeureuh Toendjoengan Sari?” Ngadjawab Njai Dewi Asri barina nangis: „ari kang raji oelah bon boga beubeureuh, roepana oge teu njaho di Toendjoengan Sari teh”. [ 80 ]Ngalahir deui Raden Moending Laja di Koesoema ka Toendjoengan Sari: „ari ajeuna, Toendjoengan Sari, hade, ari keukeuh mah menta Njai Dewi Asri, ngan nitipkeun baë, ana teu daëkeun oelah dipaksa.”

Ari geus kitoe, ladjĕng Toendjoengan Sari ka Njai Dewi Asri: daëk teu daëk, dibawa leumpang”. Toeloej nangis Njai Dewi Asri, keukeuh noe maksa, keukeuh noe teu daëk; datang ka dioedag-oedag Njai Dewi Asri koe Toendjoengan Sari.

Katingali koe Raden Moending Laja di Koesoema, bĕndoe Raden Moending Laja di Koesoema bari narik doehoeng; ditĕwĕk Toendjoengan Sari koe Raden Moending Laja di Koesoema, datang ka paëh.

Saĕnggeus ing kitoe, hatoeran Njai Dewi Asri: „koedoe dihiroepan deui Toendjoengan Sari, soegan taloek pibatoereun.”

Ladjĕng dihiroepan deui.

Geus hiroep, dipariksa koe Raden Moending Laja di Koesoema: „ajeuna daek taloek atawa hĕnteu?” Geus kitoe ningali Toendjoengan Sari ka Raden Moending Laja di Koesoema, sĕrah ka Raden Moending Laja di Koesoema, barina hatoeran: „ajeuna rek sĕdja koemawoela bae.”

Ditjarioskeun papatih di nagara Bali djĕnĕnganana Patih Naga Bali, kagoengan saderek tiloe, hidji pamĕgĕt, doewa istri. Djĕnĕnganana noe pamĕgĕt Naga Wajang, djĕnĕnganana noe istri Atji Sombali djeung Sĕkar Rarang Ratna Kĕmbang. Sĕdjana oeloen koemawoela ka Raden Moending Laja di Koesoema, katjariosna, linggih mabakan Poelo Poetri. Ladjĕng boedal ti nagara Bali, saradjabandana nitih dina Pelang kantjana, ladjĕng lajar.

Soemping ka Poelo Poetri kasampak Raden Moending Laja di Koesoema di Poelo Poetri, katingali sĕrta kaget Raden Moending Laja di Koesoema. Ladjĕng mariksa: [ 82 ]„sampejan noe ti mana nja nagara sarawoeh djĕnĕngan, dek naon nja pisĕdjaeun atawa lantoeng tamboeh lakoe, atawa lentang tanpa bedja?”

Ngadjawab Pandji Naga Bali, Naga Wajang, ari sadoeloer istri Atji Sombali djeung Sekar Rarang Ratna Kĕmbang. Noe matak datang ka Poelo Poetri lain goreng hate bĕlang bajah, ajeuna rek sĕdja oeloen koemawoela, eukeur mah diantos-antos, didago-dago beurang peuting. Ari ajeuna kasampak di Poelo Poetri, sĕdja pisan rek koemawoela, ajeuna njanggakeun Atji Sombali, Sĕkar Rarang Ratna Kĕmbang, sarawoeh radja-banda.”

Ari geus kitoe, ngalahir Raden Moending Laja di Koesoema: „aeh, Patih Naga Bali, noe matak ka Poelo Poetri oge hajang rĕnoeng dahoewan, rĕndang pawarang, ari Patih Naga Bali sĕdja oeloen koemawoela, soekoer pisan.”

Ajeuna katarimakeun, tĕtĕp di Poelo Poetri.

Katjarioskeun Moending Sangkala Wisesa djeung Moending Geger Malela ti mega malang sĕdja noetoerkeun ka Raden Moending Laja di Koesoema ka Poelo Poetri.

Katjarioskeun deui geus soemping ka Poelo Poetri, ladjĕng dibagejakeun koe Raden Moending Laja di Koesoema Moending Sangkala Wisesa Moending Geger Malela sĕrta tĕtĕp linggihna di Poelo Poetri.

Ditjarioskeun di nagara Koeta Lambaran noe kagoenganana nagara Kidang Lambatan.

Ari saderekna, Atji Bambang Ratna Kĕmbang, ngalahir ka rakana: „kakang, oerang boedal ka Poelo Poetri koemawoela ka Raden Moending Laja di Koesoema.” Ngalahir Kidang Lambatan: „batan koemawoela ka Raden Moending Laja di Koesoema mah saroewa baë djeung koemawoela ka toelang djagong. Rek sĕdja koemawoela mah, anggoeran ka [ 84 ]Praboe Goeroe Gantangan. Ari keukeuh mah Atji Bangbang Ratna Kĕmbang, los baë sorangan koemawoela ka Raden Moending Laja di Koesoema: „kami mah rek nejang bebene ka Moewara Beres noe ngaran Njai Dewi Asri teja”.

Ngadjawab Atji Bangbang Ratna Kĕmbang: „ari ajeuna Njai Dewi Asri geus di Poelo Poetri djeung Raden Moending Laja di Koesoema, oelah keukeuh peuteukeuh ngamoesoeh ka ratoe, ngabaha ka menak. Ratoe mah tara moegoeran, menak tara ngarangrangan, noe wĕdoek loba di ratoe, noe gagah loba di menak. Ari kakang rek keukeuh, wĕdoek mowal teu nimoe toengtoeng, bĕdas mowal teu nimoe lawan.”

Ngalahir Kidang Lamatan: „kadjeun; aja di mana oge, tanwande ditejang Njai Dewi Asri.”

Ngalahir deui Atji Bangbang Ratna Kĕmbang: „kadjeun, ari keukeuh mah, bral baë.”

Ladjĕng angkat ka mega malang.

Katingali ti mega malang Njai Dewi Asri di Poelo Poetri djeung Raden Moending Laja di Koesoema keur ngĕrsakeun gogoöngan di boemina di Poelo Poetri.

Ditjarioskeun Njai Dewi Asri ngalahir ka saderekna Ratoe Malela: „oelah gogoöngan teung koela goreng nja impian bisi aja noe goreng hate bĕlang bajah.” Ngadjawab rakana Ratoe Malela: „ari goöng mowal direpehkeun; ari aja anoe goreng hate bĕlang bajah, ingkeun koemaha kakang.”

Katjarioskeun Kidang Lamatan di mega malang njirĕp ka Poelo Poetri, ladjĕng sarare kabeh ngan doewa teu kataradjang sirĕp ti mega malang, Moending Sangkala Wisesa sarĕng Moending Geger Malela.

Ngalahir Moending Geger Malela ka Moending Sangkala Wisesa: „eh, sadoeloer, koemaha, oerang batoer-batoer geus [ 86 ]sarare kabeh?” Ngadjawab MOENDING SANGKALA WISESA: „kadjeun teuing koemaha kakang baë, kaoela mah doeloer teu boga, teu boga kawoelakeuneun.” Ngadjawab MOENDING GEGER MALELA: „kadjeun ari kitoe mah koemaha kakang baë.”

Ladjĕng MOENDING GEGER MALELA ka pakoelĕman, kasampak RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA sarĕng NJAI DEWI ASRI keur sarare. Ladjĕng MOENDING GEGER MALELA nĕpak NJAI DEWI ASRI didjadikeun goegoeling. Ladjĕng ngagedok andjeun, MOENDING GEGER MALELA ngadjadikeun DEWI ASRI.

Ditjarioskeun KIDANG LAMBATAN noe njirĕp ti mega malang soemping ka Poelo Poetri, ladjĕng ka padalĕman. Ngalahir noe njirĕp teh, ka RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA: „kaoela namboet pawarang sakeudeung noe ngaranna NJAI DEWI ASRI, ari geus rĕnoeng intjoe rĕndang pawarang meureun dipoelangkeun deui.” Ladjĕng dikandoeng NJAI DEWI ASRI, tjiptaän koe noe njirĕp teja, dibawa moelih ka nagara Lambaran.

Soemping ka nagarana, KIDANG LAMBATAN ladjĕng njaoer ka saderekna NJAI BANGBANG RATNA KĔMBANG: „pangakoekeun ijeu bebene NJAI DEWI ASRI. Ajeuna koedoe digeugeuh-geugeuh, koedoe ditjandak ka pakoelĕman bisina bĕndoe.”

Hatoeran ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG kа гаkа KIDANG LAMBATAN barina njarekan: „eh, kakang, tjarek djompong ti bareto, tjarek njai ti kamari, idjab ti boelan katoekang tadi oge oelah sok keukeuh peuteukeuh, oelah sok bantahan sakitoe haréloeng djangkoeng, boro djangkoeng koemis nanggoeng, djogor-djogor kabobodo, pintér-pintér kabalinger, monjet kapalingan djagong; djaoeh-djaoeh ngandoeng moesoeh, anggang-anggang mawa lawan.” [ 88 ]Ngadjawab KIDANG LAMBATAN: „poegoeh NJAI DEWI ASRI,” barina dikaloearkeun tina kandoengan.

Ladjĕng dibawa koe ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG ka pakoelĕmanana, ngadoe karinding NJAI DEWI ASRI tjiptaän djeung ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG, datang ka sare ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG, disirĕp koe NJAI DEWI ASRI tjiptaän djeung KIDANG LAMBATAN di Paseban Bandoeng.

Ladjĕng NJAI DEWI ASRI tjiptaän ngagedogkeun andjeun ngadjadikeun deui MOENDING GEGER MALELA, toeloej ngiwat ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG, disirĕp koe NJAI DEWI ASRI tjiptaän dibawa sarawoeh radja-bandana.

Ngalahir MOENDING GEGER MALELA ka KIDANG LAMBATAN noe keur sare di Paseban Bandoeng: „KIDANG LAMBATAN, kaoela malĕskeun djoerig pateuh, ari ajeuna mĕlang mah ka ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG soesoel baë ka Poelo Poetri.”

Ladjĕng moelih MOENDING GEGER MALELA.

Saĕnggeus soemping ka Poelo Poetri, matoer ka RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA: „njanggakeun ijeu ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG, soegan rek dianggo bodjo, lamoen geulis anggo kakasih, goreng mah pikaheman baë.”

Ngalahir MOENDING LAJA DI KOESOEMA: „soekoer pisan eukeur mah hojong rĕnoeng dahoewan rĕndang pawarang.”

Katjarioskeun KIDANG LAMBATAN tanghi bari ladjĕng ka pakoelĕman, njampak bĕrĕsih pisan ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG sarĕng radja-bandana. Ladjĕng bĕndoe bari koetoek gĕndĕng sĕrta ngalahir: „mana kitoe ge lain NJAI DEWI [ 90 ]ASRI, MOENDING GEGER MALELA tajohna ngawoedjoek ngalĕbon baë.” Ladjĕng soesoel.

Soemping ka Poelo Poetri, di aloen-aloen nangtang pĕrang ka MOENDING GEGER MALELA.

Ditjarioskeun aja noe nangtang pĕrang di aloen-aloen, toeloej ditoeroenan koe NAGA BALI. Ladjĕng pĕrang, tapi teu pada eleh.

Ngalahir RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA ka ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG: „eta noe pĕrang saderek sampejan KIDANG LAMBATAN oepahan baë, pĕrang teu pada eleh.” Ladjĕng dioepahan: „kakang KIDANG LAMBATAN, oerang koemawoela baë da banda aja di dijeu, pĕrang teu pada eleh.” Ngadjawab KIDANG LAMBATAN: „ari kang raka ma koemaha rĕmpagna baë djeung kang raji.” Ladjĕng kĕrsaeun koemawoela ka RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA.

Ditjarioskeun djĕnĕnganana KOEDA WARINGIN ti mega malang njirĕp deui ka Poelo Poetri; kasirĕp sadajana ngan ponggawa MOENDING GEGER MALELA djeung MOENDING SANGKALA WISESA hĕnteu kasirĕp.

Ladjĕng naros MOENDING GEGER MALELA ka MOENDING SANGKALA WISESA: lamoen noe kijeu pĕtana gagara-gara aja noe dek boga karĕp maling. Ari djawab MOENDING SANGKALA WISESA: koemaha raka baë, sabab kaoela mah teu boga kawoelakeuneun.” Ladjĕng njipta MOENDING GEGER MALELA ngadjadikeun istri NJAI DEWI ASRI.

Katjarioskeun dongkap noe njirĕp ti mega malang noe djĕnĕnganana KOEDA WARINGIN ladjĕng asoep ka karaton RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA. Njaoer ka noe sare pokna: namboet toewang njai noe djĕnĕnganana DEWI ASRI, niroe geulis pawarang noe lĕndjang teja. Sĕdja diakeup [ 92 ]sakeudeung lamoen geus rĕnoeng intjoe rĕndang pawarang meureun dipoelangkeun deui.”

Ladjĕng dikandoeng NJAI DEWI ASRI tjiptaiin, moelang ka nagaranna Koeta Waringin.

Ladjĕng njaoer saderekna: „pangakoekeun ijeu bebene, ngaranna NJAI DEWI ASRI.”

Ngawalon saderekna barina bĕndoe: „koemajoewa! sakitoe harĕloeng djangkoeng, boro djangkoeng koemis nanggoeng djogor-djogor kabobodo, pintĕr-pintĕr kabalingĕr, monjet kapalingan djagong, djaoeh-djaoeh ngandoeng moesoeh, anggang-anggang mawa lawan.”

Ngadjawab KOEDA WARINGIN: poegoeh, bebene geus kitoe. Toeloej dibawa ka pakoelĕmanana.

Katjarioskeun NJAI DEWI ASRI miwarang ka KIDANG LAMBATAN: „ajeuna moedoe ijang ka nagara Koeta Wari ngin, soesoel kakang MOENDING GEGER MALELA.”

Ladjĕng angkat KIDANG LAMBATAN ka nagara Koeta Waringin. Geus soemping, matoer ka KOEDA WARINGIN: „ajeuna nĕda maäp, nĕda halal, dek ngadengdon baraja ngaranna teja KOEDA WARINGIN.” Ngawangsoel KOEDA WARINGIN: „sampejan oerang mana, saha nja ngaran?” Ngawangsoel KIDANG LAMBATAN: „ari kaoela nja nagara Koeta Lambaran. Noe matak datang ka nagara Koeta Waringin, ngadjak oeloen koemawoela ka Poelo Poetri, ka RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA.” Ngawangsoel KOEDA WARINGIN: „teu boga baraja; KIDANG LAMBATAN koemaha nja kabarajaän.” Ngawangsoel KIDANG LAMBATAN: poegoeh baraja, nini silaing ana Iakian ka aki silaing, ana meunang anak, bapa silaing, ewean nja ka indoeng silaing ana meunang anak nja silaing”. Ngawangsoel KOEDA WARINGIN: „ĕnja baraja ana kitoe mah, djadi naon silaing nja kaboejoetan? Oerang mah laoek gagak-gagak boejoet, oraj paëh hoeloe lisoeng boejoet.” „Atoeh kaboejoetan [ 94 ]sakitoe mah. Ari ajeuna dek naon silaing ka dijeu teh?” Ngawangsoel KIDANG LAMBATAN: „dipiwarang koe ratoe baë, njoesoel sadoeloer MOENDING GEGER MALELA. Anoe dibawa teja tadi lain Nya Dew: Asei, MOENDING GEGER MALELA, djadi ajeuna oerang oeloen koemawoela baë boedal ka Poelo Poetri.”

Ari geus kitoe, ladjĕng baë boedal ka Poelo Poetri, KOEDA WARINGIN sarawoeh radja bandana.

Moelih ka Poelo Poetri.

Ti heula ditjarioskeun KIDANG LAMBATAN djeung KOEDA WARINGIN.

Ngalahir KOEDA WARINGIN: „ajeuna montong kapalang, oerang oeloen koemawoela dimana aja noe geulis adina gagah kakana, oerang tejang.”

Ngawangsoel KIDANG LAMBATAN: aja noe geulis adina gagah kakana di nagara Koeta Tambaga, doeloer oerang poepoeloengan ngaranna MOENDING LIMAN, ari doeloerna POERBA KĔMBANG.

Ladjĕng ditejang.

Katjarios geas soemping ka nagara Koeta Tambaga. Omong KIDANG LAMBATAN mamaäpan ka MOENDING LIMAN. Ngawangsoel MOENDING LIMAN: „sampean noe ti mana, saha nja ngaran, naon nja pisĕdjaeun?” Ngawangsoel KIDANG LAMBATAN: ari kaoela teja nja nagara Koeta Lambaran, aja ngaran KIDANG LAMBATAN, ari ijeu doeloer KOEDA WARINGIN, nagara Koeta Waringin nja sĕdja ngadongdon baraja ngaranna MOENDING LIMAN nagarana Koeta Tambaga.

Ngawangsoel deui MOENDING LIMAN: „koemaha nja kabarajaän, kaoela mah teu boga baraja.” Ngawangsoel deui KIDANG LAMBATAN, ari nini silaing ana lakian ka aki silaing ana meunang anak bapa silaing ewean ka indoeng silaing [ 96 ]meunang anak nja silaing. Djeung kaboejoetan njatoe laoek gagak-gagak djeung njatoe oraj paeh hoeloe lisoeng boejoet.”

Kadenge koe doeloerna noe awewe, ngaranna POERBA KĔMBANG, ngomong ka rakana: „ari kakang teh oelah kawoedjoek, kabeh oge boejoet ngalĕbon baë eta teh, kakang.”

Kadenge koe KOEDA WARINGIN djadi oerang oge baheula kalebon ana kitoe mah, foeloe} poendoeng KOEDA WARINGIN ka KIDANG LAMBATAN datang ka njaboet doehoeng sĕrta nĕwĕkan; teu teurak. Poendoeng KIDANG LAMBATAN datang ka diseundak dibĕnĕrkeun ka karaton.

Ngambĕk deui MOENDING LIMAN, dĕr deui pĕrang djadi tiloean. Datang ka aloen-aloen, diadoe koembangkeun koe KIDANG LAMBATAN datang ka paëh MOENDING LIMAN djeung KOEDA WARINGIN.

Tjeurik doeloerna POERBA KĔMBANG: „djadi ajeuna moedoe dihiroepan deui baë, oerang adjak oeloen koemawoela.” Toeloej dihiroepan doewanana ngomong doewanana doeloerna: „djadi ajeuna oerang oeloen koemawoela, oelah ngamoesoeh ka ratoe, oelah baha ka menak, ratoe mah tara moegoeran, menak mah tara ngarangrangan, noe wĕdoek reja di ratoe, noe bĕdas loba di menak. Ajeuna oerang boedal baë saradja bandana, orang oeloen koemawoela ka RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA ka Poelo Poetri.”

Saĕnggeus soemping, matoer KIDANG LAMBATAN ka RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA jen ijeu njanggakeun bojongan ti nagara Koeta Tambaga.

Ĕnggeus katarimakeun koe RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA, katjarioskean NJAI DEWI ASRI matoer ka ratoe PRABOE MOENDING LAJA DI KOESOEMA: „koe naon noe matak boentoe njaoer pĕgat njabda atawa bĕndoe ka dahoewan atawa doeka ka pawarang?” Ngalahir ratoe: „lain doeka ka pawarang lain bĕndoe ka dahoewan, ari ajeuna moedoe dangdan, koedoe ijang ka paseban ka praboe, dipati lantjeuk sĕrta sadaja baë; ajeuna oerang boedal.” Ladjĕng ngawalon: [ 98 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/119 [ 100 ]Watĕs sajongjongan tuluy tanghi Gagak Semar Ariya Munding Daratan, ngagurinjal pĕrang deui jeung Munding Geger Malela jeung Munding Sangkala Wisesa. Teter Munding Geger Malela jeung Munding Sangkala Wisesa; disered datang ka laleuleus.

Katingali ku Nyai Dewi Asri nangis bari mundut tulung ka Munding Jaladri nu tapa di Buwana nyungcung. Kadangu ku Munding Jaladri, tuluy pundung Munding Jaladri, lajĕng turun ningali ka Munding Sangkala Wisesa jeung Munding Geger Malela. Tuluy ditewak Gagak Sĕmar Ariya Munding Daratan sĕrta didagor-dagorkeun. Ari geus kitu, lajĕng ditampiling datang ka paëh.

Ngalahir Munding Jaladri ka Nyai Dewi Asri sĕrta ngelehkeun(?) yen Gagak Sĕmar Ariya Munding Daratan geus paëh: "Ayeuna amit pulang ka patapaan."

Kacarios dahuwan Raden Munding Laya di Kusuma sĕrta sadayana jadi pamuk. Jĕnĕnganana Munding Geger Malela, Naga Bali, Naga Wayang, Tunjangan Sari, Kidang Lambatan, Munding Liman, Kuda Waringin, Munding Sangkala Wisesa.

Lajĕng budal ka nusa Bali.

Jĕnĕng ratu prabu nusa Bali, Raden Munding Laya di Kusuma eukeur meujeuh sukan-sukan gogoöngan; hejo lembok lambat(?). [ 102 ]Carita diriyung-riyung ku gĕlung, dipagĕr rangkeng ku angkeng, disarib-sarib ku bitis, calik di bale bubut, bale mangguh, bale rarawis kancana.

Hurung damar kurung unggal juru siyang, damar malam unggal tihang.

Tĕtĕp Raden Munding Laya di Kusuma di Nusa Bali, jumĕnĕng ratu prabu.


Ditunda.

[ 104 ]Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/125 [ 106 ]

TJARITANA

RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA.


____


"Poen! Sapoen!

Ka loehoer ka sang roemoehoen,
Ka Goeroe poetra Hijang Bajoe,
Ka handap ka sang batara,
Ka batara Naga Radja,
Ka batara Naga Soegih!"

Poenika radjah pamoenah
paragi moenah sagala;
moenah lĕmah katoet imah,
moenah kajoe katoet batoe,
moenah tjaï katoet diri,
moenah raga sarĕng banda.

"Ngahatoerkeun sangoe poetih sapoeloekaneun:

ka Sang Ratoe Boeliger poetih,
noe tjalik di hoeloe pasir;
ka Sang Ratoe Djĕlĕgong poetih,
noe tjalik di hoeloe lĕbak;
ka Sang Ratoe Haroemoek poetih,
noe tjalik di sadasar ing tjai!"

"Isoen radjah pamoenah."

"Poen! sapoen!
ka radja Pakoean, noe tjalik di goenoeng Padang koelon;
ka Pĕrboe Ratoe Galoeh;
ka oewa boejoet Moeroegoel Mantri Agoeng,

[ 107 ]

noe tapa di djĕro goenoeng;
ka oewa Poerwa Galih, noe nangkĕs Padjadjaran!"
Waktoe keur ngadĕgkeun Padjadjaran dina tahoen Alip, dina boelan Moeloed, tanggal pingpat,

powe, powena Salasa,
nampian ka Tji-lohana,
nampian ka Tji-lohani.
waktoe njoesoek lĕmah ka dampa,
waktoe njoesoek lĕmah ka dampi,
waktoe njoesoek Tji-haliwoeng,
njoewĕr-njoewĕr Tji-sadane,
Tji-haliwoeng noendjang ngidoel,
Tji-sadane noendjang ngaler,
tjaina kiroeh ti girang,
tjaina kiroeh ti hilir,
di tĕngah tjanembrang herang,
pamoeroean gadjah poetih,
tempat ma'lim Tji-haliwoeng,
Pĕrboe Soesoek toenggal troenan,
ti soekoe Goenoeng Goemoeroeh,
djalaran ka Kawoeng pandak,
tĕroesna ka Batoe toelis,
dongkapna ka Padjadjaran.

Ari noe boga Padjadjaran Pĕrboe Siliwangi; patihna Kidang Panandjoeng, djaksana Gĕlap Njawang.

Dijoek djoedjoel ka pamikoel,
sila soendoel ka pangĕrĕt,
wĕdoek manggoelang-manggoeling,
taï teu teurak koe andjing,
batan ngakan dihĕrĕngan,
digogogan, disontrolan,
kalah pohang hoentoe andjing.
Koelit pipi lilipitan,
nja pingping daging soreneun;
koelit beuteung lilimboeheun,
tjawisan toembila meuting.

[ 108 ]

ngagiling boeloe bitisna;
ngarojom boeloe tonggongna;
ngajapak boeloe dadana,
dada doewa balik sikoe,
beungeutna beureum sabeulah,
ngangkang oerat dina tarang,
sagĕde laki-loeloempang.
tjirina menak noe bĕdang,
sabarna sakoelit bawang,
sakĕtjap kadoewa gobang,
adat Patih Gĕlap Njawang;
koemisna mani ngadjĕboeg
sagĕde indjoek sakakab;
koemis patjorok djeung djanggot.
matak rompang kana tjatoet,
matak rompang kana koedjang,
koemis henteu kerel-kerel,
Ngagajoen toewang kagoengan
sagĕde gadoeng pĕsekeun
reudjeung sanglir toedjoeh likoer,
boeloe iroeng digĕloengan,
siga bangbara ngalijang,
boeloe kelek dilelepe,
siga noe njorendang kodja;
boeloe taktak digoeloengan,
ditendjo ti kaänggangan,
siga anoe manggoel heurap;
poepoendakan mandi tjeuli.

Ari geus kitoe, ratoe teh hojong kagoengan poetra boengsoena. Tatapa ka goenoeng Hambalang, nendjo ka oedjoeng koelon, hĕnteu meunang terboeka, ngan meunang bae istri hidji ngaran Nji Padma Wati, istri djangkoeng noe koemisan, baloeng toenggal teu diboedjal, poetra Dewi Poehatji Wiroe Mananggaj, nagarana babakan Goenoeng Goemoeroeh.

Geus kitoe, njiram palaj hondje, njaoer panakawanana [ 109 ]kadenheus kai lengser, miwarang njijar hondje ka nagara Koeta pandak, ka babakan Moewara beres. Dibahanan doewit dalapan kĕton meunang dalapan paseuk ti nagara Moewarat beres, ti Gĕgĕr Malela, poetra Rangga Malela, poepoetra Nji Gambir wangi, soewan Moending Pakoean.

Geus kitoe, lengser balik:

tĕrĕlĕng apĕng-apĕngan,
toempak koeda lalagaran,
sangawĕdi awi tali,
selana doelang sabeulah,
bawaning roesoeh koedana.
Seng toeloej bae ditoengtoen.
Ditoengtoen teu daek madjoe,
dilaänan kadalina,
digĕboegan tĕroes maboer.
Lengser koelon, koeda ngetan,
loempat ngadjindjing kadali,
dagal-digil, sangkal-singkil,
ditjawĕtna poeril njĕntil,
gĕdena sagĕde pĕndil,
Koneal toewang kagoengan,
sagĕde indoeng tontolang,
reudjeung sanglir toedjoeh likoer,
badjoe kikik badjoe sĕnting,
badjoe sĕnting koelit moending,
koelit moending toedjoeh lirang.
kadalapan lima beuheug,
oekoer mahi kana sĕnting,
ngadjĕpat kantjing wadjana,
sagĕde empak gĕdogan,
goerilap tjatoet salaki,
sami kampaän kapalang,
koreh koeping sami pingping,
ngadjĕntoel boengkoel iroengna,
sagĕde hoeloean pitjoeng,
ngagaplok soren bĕdogna

[ 110 ]

ngaranna "bĕdog malela,"
sagĕde aloen-aloeneun,
aloen-aloeneun sabeulah,
lamoen dipikoel ti wetan,
angkeub nagara ti koelon,
boewah birit mani kapa,
balas katindihan keuneung,
mabakan di tjetjekolan.

Geus kitoe, lengser kapakoeng kasasah ka nagara Karang Siloeman; istrina Toendjang kantjana.

Katjarioskeun di nagara Moewara beres Nji Gambir wangi njiram palaj hondje. Ari hondje geus didjoewal ka ratoe Padjadjaran, disoesoelan koe lengser Moewara beres, dipoelangkeun deui doewit opat kĕton, dipenta hondje opat paseuk kasoesoel di nagara Karang Siloeman teja. Tĕpang lengser pada lengser ari tjek lengser Padjadjaran: "tah, mowal dibikeun, perkara hondje geus djadi djoeal meuli, djeung dibikeun mah toh pati djiwa raga, anggoer oerang pĕrang sabaraha boelan, taroeng sabaraha tahoen."

Gantjangna lengser ti Moewara beres ngarontok ka lengser Padjadjaran, pĕrang pĕrĕboet hondje:

silih irik, silih gitik,
silih doepak, silih sepak,
silih djingdjing djeung tampiling,
silih poendjĕng, silih oelĕng,
silih tĕnggok, silih tjabok,
silih djĕkok, silih bĕkok,
taroengna paoengkoe-oengkoe,
pĕrangna padjaga-djaga.
kĕras wĕdoekna noe soegoer,
kĕras bĕdas sapananjaän.

Gantjangna dipisah koe noe boga Karang Siloeman, koe patih Gadjah Siloeman teja. Mikoel gĕgĕndir beusi sagĕde moending saädi, dioengkoelkeun ka lengser doewanana.

Tjeuk patih Gadjah Siloeman: "oelah kitoe, hondje koe[ 111 ]doe beulah doewa masing opat paseuk sewang, karana goesti teh eukeur njiram, timbalan radja meureun harijaneun teu dipanghoekoemankeun karana di djĕro nagara oerang pisan."

Ari tjeuk lengser Padjadjaran: "soemangga, ajeuna kangdjĕng patih Gadjah Siloeman hondje dibeulah doewa, tapi koedoe dibahanan soerat ka ratoe di Padjadjaran." Ari saeusining soerat: "geus gĕde orang kawinkeun."

Pendekna lengser doewanana maroelang, hidji ka Padjadjaran hidji ka Moewara beres.

Enggalna pada datang ka Padjadjaran, njanggakeun sĕrat ka radja Praboe Siliwangi. Diaos ĕnggeus ka manah, "na, lengser, maneh njaho ti mana, tĕroes teuing djeung manah radja, radja ge nja kitoe deui, geus ageung oerang rendengankeun."

Tjek lengser: " soemoehoen dawoeh sadaja-daja, gamparan langkoeng njaho, abdi leluwih oeninga, lain gamparan baë anoe ahli noedjoem teh, abdi oge radjeun baë sanggeus ngiring teh, hanteu goegoeroe heula abdi teh djoldjol meudjit baë, taksiran rada karĕsĕpan palita".

Geus kitoe, ladjĕng ditoewang hondje teh koe Padma Wati sarĕng Gambir wangi, seëp sapaseuk sewang, sesana diboeang ka laoet kidoel, ka leuweung tanah Tji-damar. Anoe matak reja hondje di leuweung Tji-damar, nja-eta pasesaän anoe njiram.

Geus kitoe, Nji Gambir wangi ganti kahajang palaj toewang terong peuheur, kahajang sabeulah sewang. Geus kitoe dipangnejangankeun koe radja Praboe Siliwangi, terong ngan hidji-hidjina, dibeulah koe Gĕlap Njawang koe doehoeng Kidang panandjoeng, ditoewang sabeulah sewang koe Gambir wangi sarĕng koe Padma Wati sĕrta bari ngadĕgkeun saembara, djaksa, papatih, pamoek sarĕng para-wong agoeng, ponggawa sarĕng gĕgĕden. "Timbalan rama koedoe pada aroeninga ijeu anoe njiram sapanjiraman sapeuting sapatitisan oerang kawinkeun memeh ngadjadi oerang, tikahkeun memeh mĕdal, tĕpoengkeun memeh ngadjoeroe, salaki bawa ngadjadi, tjaroge bawa bonohade, doerijat bawa ti koedrat". Geus kitoe moelang Nji Gambir wangi ka Moewara beres. [ 112 ]Enggalna Nji Padma Wati babar di Goenoeng Goemoeroeh poetrana pamĕgĕt dina boelan Moeloed, tahoen Alip, tanggal pingpat, powe Djoemaäh; dinamaän Moending Laja di Koesoema, sĕrta ngowokeunana sapowe reudjeung sareng Gambir wangi poetrana istri, djĕnĕnganana Nji Dewi Asri.

Katjarios aja hidji ratoe di nagara Koeta barang Praboe Goeroe Gantangan palaj kagoengan poetra. Gantjangna diindjeum Moending Laja koe garwana Goeroe Gantangan ngaran Dewi Ratna Intan; dikoekoet Moending Laja koe Dewi Ratna Intan. Lila-lila Praboe Goeroe Gantangan roemaos sijeun kalindih, sabab kasep anom hĕnteu aja tanding djeung deui digdjaja:

mantjoer tjahjana ka manggoeng,
katembong ka awang-awang,
sagĕde galoegoer kawoeng,
sĕrta ejar kaëdanan,
lidig koe anoe njirian,
leuleus koe anoe ngadeugdeug,
sawan koe noe ngantanankeun.

Lila-lila Praboe Goeroe Gantangan teu pĕrtjaja, gantjangna Moending Laja dipandjara beusi. Ditoenda.

Tjarios lami-lami aja wirasatna ka soenan oewana, ka djaksa Seda Koewasa, ka Arija Patih Sagara ka Gĕlap Njawang, Kidang Panandjoeng, disoesoel ka Koeta barang. Barang kasondong dina pandjara sarta Praboe Goeroe Gantangan amarah katjida. Tjeuk Gĕlap Njawang sarĕng Kidang Panandjoeng: "koe naon sababna Moending Laja datang ka dipandjara?"

Tjeuk Praboe Goeroe Gantangan: "sadaja-daja oewa langkoeng oeninga, koering njoehoenkeun hoekoeman, da oewa teh ĕnggeus kolot, lĕgok tapak gĕnteng kadek, geus reja nja pamĕndak, geus oeninga kana pisalamĕteun Dewi Ratna Intan teh, pawarang abdi, didjaga salengkang nijatna". Tjeuk Kidang Panandjoeng sarĕng Gĕlap Njawang: "moen kitoe [ 113 ]mah, teu pĕrtjaja ka boedak, handjakal tĕmĕn diangkat pĕrboe anom, kapan tilih teh ajana di mantri, ari timbangan ajana di menak, anoe loenggoeh aja di ratoe, anoe ramping geus aja di goesti. Tjeuk Gĕlap Njawang: "perkara mah djamak". Ari Goeroe Gantangan njaoerna bari nangtoeng baë, ditewak koe Gĕlap Njawang ditjalikeun kana korsi. "Adoe manis, pĕrkara njaoer djeung sĕpoeh sanadjan djeung sasama koedoe aja tatakrama." Ngadegdeg Praboe Goeroe Gantangan sijeuneun Kidang Panandjoeng, Gĕlap Njawang.

Pendekna baralik Kidang Panandjoeng, Gĕlap Njawang ka Padjadjaran, tatapi teu ditjaritakeun jen Moending Laja dipandjara ka iboena ka ramana, sabab sina prihatin Moending Laja dipandjara (blz. 37).

Geus kitoe, lila-lila katingali koe iboena, koe Dewa Poehatji Wiroe Mananggaj, Padma Wati dibere impian, ngimpi dipaparin langlajangan kantjana goegoebar rarambong kantjana salawe landjaran, sorana di djabaning langit, ajana nagara Sorong kantjana, goerijang toedjoeh noe bogana. Geus kitoe Padma Wati pek oendjoekan ka tjarogena, ka Praboe Siliwangi, radja di Padjadjaran ngadĕgkeun saimbara dikoempoelkeun djaksa, papatih sarĕng pamoek ponggawa para-gĕgĕden, sarĕng poetra sadaja, dipĕrih pati koe iboena koe ramana; dipiwarang njoesoel impian teu aja noe sanggoep pisan. Geus kitoe Njai Padma Wati dek dikĕtok, dipotong beuheungna koe tjarogena Praboe Siliwangi, wireh ing dipoendoet boektina impian teja, langlajangan kantjana; Nji Padma Wati koeroe ati ngadjangdjawing, raga iga tanding gambang, wireh ing kasoesahan. (blz. 37)

Geus kitoe Nji Padma Wati ingeĕt boga poetra lalaki, nja eta Moending Laja di Koesoema teja, disoesoelan koe oewana teja ngaran Kidang Panandjoeng djeung Gĕlap Njawang ka nagara Koeta barang, ka Goeroe Gantangan. Moending Laja teh dipandjara beusi sarta diboewang ka dasar leuwi, ka leuwi Sipatahoenan. Tĕroes diamoek koe oewana sĕrta ditawoe leuwi SIpatahoenan teja, dikira djĕro lima [ 114 ]poeloeh gas, batoe tarengtong djeung keusik. Geus kitoe pandjara beusi teh ditjandak ka darat, geus beunang toeloej digisik ngĕmplang djadi dasar pamojanan di sisi leuwi Sipatahoenan. Enggalna ditjandak Moending Laja koe oewana moelang ka Padjadjaran, disanggakeun ka ramana, ka Praboe Siliwangi. Enggal sanggoep katjida njoesoel impian teja, soepaja nitipkeun iboena Nji Padma Wati, titip dirina, sangsang badanna; enggalna dangdan Moending Laja (blz. 43)

Gĕdjlig satjalana pandji
kĕdjat satjalana soewat
ngaloempoejoeng soetra woeloeng
ngalampoejang soetra kĕmbang
djoegoeng-djigang tjara wajang.
Njandak deui toewang kagoengan:
sindjangna poerbanagara,
toelis rĕjes niroe-niroe,
sina krĕndoe di djoeroena,
sina tarik di sisina,
sina mĕlĕndoeng tĕngahna,
koe perak koe intĕn djambroet,
dirapĕt koe intĕn doekĕt,
ambeh tjakĕp beunang dangdan,
ngĕmbat beulitan kantjana,
lĕngkeh toer bĕntenna ĕmas,
nete ka angkeng noe gĕnteng.
Njandak deui toewang kagoengan:
koetang reudjeung badjoe sangsang,
takwa badjoe beulah dada,
kantjingna parasoentika,
paragi ngajoega pĕrang,
berendel kantjing leherna
sagĕgĕde ĕnlog sowang.
Njandak deui toewang kagoengan:
kĕris paroeng gandja woeloeng,
doehoengna Si-toendoeng moesoeh,
ĕloek doehoeng sanga likoer,

[ 115 ]

pandjangna satoendjang loetoeng,
pandjangna satoendjang kidang,
eusina djoerig sakĕti,
salaksa doeroewiksana,
pamor togog ditjongona,
sagĕde andjing ngadjogo,
gagak ngĕlak ditĕngahna,
batoe lapa di gandjana,
patagitri sipoehanana,
ka kawajan pandaj domas,
landean matjokan samping,
ting taroetoet, ting taretet,
menta soekma reudjeung njawa,
geus heubeul teu makan gĕtih,
ngontjrong landean kantjana,
sigeugkeun dikahareupkeun,
kipatkeun dikatoekangkeun
tĕgĕp diangkeng noe santĕn
sijeup diangkeng noe hideung
rekep diangkeng noe koneng
make gĕde reudjeung djampe
midang reudjeung pangabaran
ditoengtoengan kinasihan
make manirakim leutik
ditoengtoengan koewĕs-koenjĕm.
Njandak deui toewang kagoengan:
oedĕngna batik manjingnjong
toelisna djalat djalĕtong
noe mahal di sabrang koelon
dibĕndo dibĕlĕngongkeun
ngĕrong manan tjangkang ĕndog
tjĕpak nonggong koleangkak
ngĕlir batan goenoeng tjoengging
lir mimis bĕdil mareuting
pikeun pelor mararondok
niron bĕndo Tjirĕbonan

[ 116 ]

paragi ngajoega pĕrang
sakeudeung paragat dangdan.

Moending Laja gantjang angkat djeung patih nagara sarĕng djaksa Seda Kawas, Kidang Panandjoeng sarĕng Gĕlap Njawang sarĕng Patih Ratna Djaja djeung Pĕrĕboe Liman Sondjaja, pamoek ti Goenoeng Goemoeroeh. Mariksa ka panakawan kadeuheus poen lengser teja: »eh maneh lengser dek ngiring atawa mowal?" Tjek lengser: »abdi sabil katjida, ari hĕnteu ngiring mĕlang koe sĕrĕdan, ari ngiring horejam koe titahan, sakitoe ge abdi ngiring bae ngan masing gĕten koe sĕrĕdan baë agan ka abdi."

Gantjangna Moending Laja angkat djalanna ka Padjadjaran.

Ejar anoe kaedanan
goejoer anoe kaparintjoet
loba anoe bobogohan
poerwa anoe hahadean
tjeleh anoe arek kawin
teu toeloes aja sababna,
kaliwatan Moending Laja,
ejar anoe menta talak,
oelah boh sipat djĕlĕma,
djoerig pating harariring,
setan pating halandeuar,
gogodongan ngararomong,
tatangkalan maridangdam,
hajangeun djadi di djalan,
ngarah kagaris koe sindjang.
Kaliwatan koe Moending Laja,
beuntjeuh kari ngeupeulan,
kasir kari niiran,
noetoerkeun ka Moending Laja.
Aja hidji nini-nini djoendal-djĕndil
mahoegi koe ali beusi,
norog koe haloe lolodok,
kaliwatan Moending Laja,
sawareh dangdan midjanaän:

[ 117 ]

Ramboetna diteulem heula,
ramboet poetih gĕr ditjĕlĕp,
katingal djiga soerili,
noe eukeur nganginkeun hoentoe,
hoentoe hidji dimangsian,
ditendjo ti kaänggangan,
siga monjet ngegel peundoeij.

Waktoena angkat Moending Laja lagoe Soeralaja:

Barang dongkap ka leuwi Sipatahoenan bangawan Tji-haliwoeng, Moending Laja mĕrih pati ka oewana, ka Kidang Panandjoeng djeung Gĕlap Njawang menta dipangmeunangkeun parahoe, hajang leumpang toeroet tjai. Kidang Panandjoeng njipta endongna baë, didjijeun parahoe Gĕlang kantjana bajoeta, satjawalat ĕmas.

Tihang lajar pontrang ĕmas,
ditoengtoengan soetra kĕmbang,
rantĕng tali areng-areng,
mĕlĕndoeng tihang pangbajoe,
pangbajoeeun sada kromong,
dajoeng ti Goenoeng Goemoeroeh,
noe djadi toekang galahna,
nja eta ti Padjadjaran,
noe djadi djoeroe-moedina,
nja eta ti Tji-pamingkis,
anoe djadi toekang boseh,
njeta ti Pagaden-sĕmprong,
Moending Laja geus balajar,
balajar lagoena dĕgoeng.

Teu katjatoer di djalanna, djaoeh mo boeroeng tjoendoek, anggang mo boeroeng datang.

Geus datang ka leuwi Moewara beres, Moending Laja boewang djangkar, ditanja koe oewana Patih Kidang Panandjoeng: »na boewang djangkar palĕbah dijeu?" Tjeuk Moending Laja: »eh soenan oewa, koering aja gĕnah panasaran, mati-mati boewang diri, bedjana aja poetri leuwih geulis di nagara Moewara beres anu ngaran Dewi Asri, [ 118 ]diperih pati pandatangkeun ka dijeu ka djamban larangan. Atoeh oewana boeboehan sepoeh teu ngawoelakeun, dibere wisaja djampe mĕntjok, djampe intjok". Broek dibaoerkeun, teu lila datang wisaja daoen tjaringin tibalik mani aloem dangdaoenan, leumpeuh kĕkĕmbangan, angin loeloemboengan baë ngambah ka djalma loba, lain angin samanea, wisaja Kidang Panandjoeng, aboes ka djĕro koelamboe. Teu lila Dewi Asri indit ka djamban larangan sarĕng eudjeung ĕmban-ĕmban.

Teu lila patĕpoeng djeung Moending Laja, tjeuk Dewi Asri:

»Kopo tjondong djeung djengdjoho,
taleot djeung talawoengan,
Raden Moending Laja sono,
Dewi Asri mah geus komo,
galejoh kana lahoenan,
tikoekoer di goenoeng Poetri,
nja walik matjokan anjam,
soekoer moen toeloes ngadjadi,
malik meureun koemaonam."

Gantjangna Moending Laja ditjandak moelih ka boemina Dewi Asri, Moending Laja toeloej mantjoeh koe ali, tjingtjin, geulang ĕmas harga satimbang nagara.

Tjeuk Moending Laja: »bisi datang anoe ti kaler, anoe ti kidoel ĕntong ditampa, nja akang tjaroge njai, tatapi ajeuna akang rek indit ka djabaning langit, nĕpoengan goerijang toedjoeh. Geus kitoe Moending Laja toeloej angkat.

Teu katjatoer di djalanna, tjoendoek ka batoe patjakoep, ka Sangijang tjadas patenggang oewana. Toeloej ditoenda, ditoeroeban koe parahoe. Moending Laja toeloej indit, inditna sorangan bae, mĕtoe alas mandjing alas.

Geus tepi ka leuweung langgong papanggih djeung Jaksa Majoeta, gawena keur ngoentaj beusi ngagolak, oerajan wadja sagĕde moending doemĕlĕg. Koe Moending Laja ditanja: »djin atawa setan, iblis atawa manoesia?" Jaksa Mangjoeta malikan ambĕkna kabina-bina:

»ngadingding sagĕde pasir,
ngaroenggoenoek nanding goenoeng,

[ 119 ]

ambĕkna lir goenoeng djadi,
goerang gĕroeng sowarana,
hoentoena sagĕde patjoel,
sihoeng sagĕde balioeng,
iroengna sagĕde bĕdoeg,
tjeulina sagĕde tampir,
mata sagĕde tĕrĕbang,
halisna sagĕde pingping."

Dakina dina tonggong satoendjang peundeuj, ramboetna doewa bĕlas lambar, sirahna boetak sabeulak balas pagĕret djeung langit, djangkoeng lima ratoes asta, koemisna ngarojom ka lĕmboer deungeun, mani dangdaoenan mani rigil, daoen tjaringin rarigil kababoek koe koemis kentja, bitis beusi poerasani, tarang di gading malela, tjoengtjoeroengan beusi woeloeng, tjawĕtan kasang toedjoeh laboehan ditoemboean tambang indjoek, kontolna sagĕde pelor, sanglir toedjoeh lawe, koetoe bajoerna sagĕde koeja, lisana sagĕde ĕndog sowang, nintjak batoe mani rĕmpoe, nintjak tjadas mani rĕmpag, nintjak tjadoek teu ngagehan, koprak toenggang gamparan beusi, bobot tigang poeloeh kati, lilingga sagĕde pilar.

Sanggeus kitoe jaksa toeloej ngarontok rek ngahakan Moending Laja, Moending Laja teh hĕnteu beunang.

Tĕrĕlĕng atjlĕng-atjlĕngan,
marengrengan totopengan,
lingas batan koetoe andjing,
koetoe andjing lalakina,
ana kapĕrĕgo njabok.

Gantjangna toeloej pĕrang, Moending Laja teroes pĕrang beunang.

Ditewak djadi sahoewap,
dibeuweungan hanteu teurak,
koeriling mipir goegoesi,
rĕntang mapaj tjareham,
loentjatan ka djĕro wahangan,
sĕrta pajoeng teu dilingkoeb,

[ 120 ]Geus kitu Munding Laya asup ka jĕro beuteung yaksa: Lalĕga gumblang gamblang, Munding Laya narik kĕris ditatas rantuyan ati.

Dikeureut disimeut-simeut,
dicacag diwalang-walang,
uwa yaksa gĕrang-gĕrung,
pajar maneh cacing nyayang,
cacing kalung ting kurumuy.

Munding Laya heran kacida ngĕrik pikir nyeler budi wawanen, geus gĕr diduruk nyasate di jĕro beuteung, Munding Laya nyiyeun maranggi di jĕro beuteung yaksa, parandene teu dirasa, horeng yaksa boga jimat mustika wĕlat sajagat dina ĕlok ĕlakanana, jimatna beunang ku Munding Laya tĕrus diteureuy bae, ngurup ngabaju ngaraga sukma manjing kana salirana, Munding Laya tĕrus ka luwar, yaksa dipĕrangan ditewak sukuna sabeulah, tuluy rubuh, porang haralang tatangkalan katinggang ku yaksa teya, yaksa tĕrus ditalukeun, totopongna dilaän, bajuna sarĕng sampingna kasang tujuh lahunan, larangan tĕrus dipontrang ku apu sarĕng ku mohong, sirahna misti ku luwah.

Ditenjo ti kaänggangan,
siga ungkut-ungkut moyan,
sarĕngna dititah ngising,
sagĕde huluan picung,
jeung modol tujuh pengkolan,
dĕngdaän baha ka menak,
sarta trus misti dihakan.

Cek Munding Laya di Kusuma: "Kumaha rasana?"

Ceuk yaksa: "nya kĕsĕd nya pait". "Bisi teu nyaho nya eta jajamu galian."

Geus kitu, Munding Laya tĕrus ngapung.

Laguna ge pangapungan,
nilik langit nĕrus mega,
nojer ka bujal buwana,
sarta nengkep indung suku,

[ 121 ]

indoeng soekoe ti katoehoe,
sĕmproeng Moending Laja ngapoeng.
Dina saloehoereun goenoeng,
ngapak sahandapeun mega,
mipir dina katoembiri,
njoekang dina kilat pandjang,
kareueukan mega malang,
mega malang anoe hideung,
katoeroeban awoen-awoen,
kantjaängan mega bodas,
djĕboelna ka poetjoek iboen,
rĕntang ditangkalan hoedjan,
soemping ka rambat sagĕntĕng,
noe kaheuleutan koe beurang,
djeung kaheuleutan koe peuting,
pahiri-hiri djeung geuri,
paheula-heula djeung heulang,
awor djeung manoek dawolong,
pahoewit djeung manoek beusi,
boeroeboel saaloen-aloen,
barabat sawidak deupa,
lapat-lapat katingalan,
rĕntang sagĕde papatong,
rĕntang sagĕde bangbara,
rĕngking sagĕde papanting,
soemerepet tanding walet,
soemeak tanuling kadantja,
kadantja moeroe raratan,
kawas djogdjog moeroe mondok,
kawas walik moeroe lamping,
moeroe pameutinganana,
kawas tjioeng moeroe goenoeng,
moeroe pangaoebanana,
seueurna ka mega hideung,
teu njimpang ka mega malang,
salawe simpanganana,

[ 122 ]

simpangan ti kahijangan,
datangka toendjang boewana,
kana pongpok sarangenge,
ka aki Geleng Pangantjingan,
pangantjing langit pingpitoe.

Moending Laja kotjap datang ka kahijangan ka ejangna, ka Dewi Poehatji Wiroe Mananggaj teja, ka koedang Sri Mandala mahi, ka gĕdong Maneuh Mandala pageuh, ka iboe Poehatji Naga Wiroe, ka iboe Poehatji Rangga Sijah, ka iboe Poehatji Karana Leuwih, ka rama Seda Kawasa, ka Pĕrboe Sapala, ka noe mangkon para tjahaja teja, ka noe leuwih teu keuna koe ipis wadah, teu keuna koe owah koe noe sok pada-saroemping koe andjeun, ngamitkeun goerijang toedjoeh, njoehoenkeun langlajangan teja, wirehing impian iboena.

Ari tjeuk ejangna: "ejang teh soesah katjida, karana goerijang teh geus kapaparin djimat doehoeng kaboejoetan pakarang panimatan, tapi lamoen Raden bisa ngadjadikeun aki, teu sawijos paling heula lalajanganana, sijeun kaget, heran sabab njijeun pilalakoneun, oelah gorodjog tanpa raratan."

Ari tjeuk Moending Laja: "njoehoenkeun hibar kĕrsa ejang."

Teu lila Moending Laja ngagedog salira, wantoening tĕroes ing ratoe, rĕmbĕs ing koesoema, kĕrsa ejang Moending Laja djadi angin, angin poejoeh lilimboengan, angin barat reureundahan, lain angin poejoeh lilimboengan, lain angin barat reureundahan. Poegoeh soeroepan Moending Laja teja, toeloej ngapoeng. Teu lila lalajangan tĕroes beunang disoewal koe goerijang toedjoeh. Gantjangna goerijang pĕrang djeung angin, angin teh téroes bae neuneun lalajangan ditingalikeun ka ejangna, leungit angin djadi Moending Laja deui. Toeloej bae goerijang teh diperangan tĕroes ngapoeng, babi oerang manoesa toekang maling lalajangan, ijeu teh nagara aing sorangan, gantjangna ajeuna mah sija dilěbok goerijang toedjoeh. Pek ngarontok Moeding Laja dipĕrangan, tatapi teu beunang baë. Malah-malah Moending Laja mindahkeun roepa kana pajoeng; Geus beunang pajoeng koe goerijarg disasaäk, koe Moending Laja pek ditewak goerijang, pada newak, tina [ 123 ]matihna djimat goerijang doehoeng kaboejoetan, teurak kana oedĕngna, Moending Laja tĕroes kalah. gĕdĕboeg njanghoeloe ngidoel, geus Moending Laja teu bidjil soekmana, kaloewar tina koeroenganana ngaroepakeun awewe dingaranan Dewi Soekma.

Pek Moending Laja digĕbĕran koe kĕkĕmběn, dihatiean koe awewe teja, lagoe koe tjara sisindiran:

"raden teh lalaki langit,
raden teh lalanang djagat,
batoe toeroen tjadas ngampar,
leumpang dina taneuh beureum,
taneuh beureum kalandeuhkeun,
wirang teh katoeroeg-toeroeg,
kadjang leutik sabadjami,
gondjaë parandjang gagang,
oelah miris pipikiran,
tjangkoerileung beureum beuteung,
tjangkoerawok hedjo tonggong,
manoek lĕmboet pandjang boentoet,
tadadad nangankeun maneh."
Ting harewos njimas lantjoeng,
geura poegoeh kalakoean,
pakantinoen panganggeusan,
hiroep gĕde panoengtoengan,
taroeng teh sabraha taoen,
pĕrang teh sabraha boelan."
Top rontok dagorkeun, top tewak talian:
»geura silih andjoek oemoer,
geura silih hoetang njawa,
oemoer teh geura lindoerkeun,
njawa teh geura hoetangkeun,
montong inggis mitjeun pati,
montong rempan mitjeun njawa,
montong inggis da lalaki,
montong rempan da lalanang,
poepoes mah koering tiloena,
hilang mah koering siděkah,

[ 124 ]

mati mah ngabanjoe mili,
si djantoer eukewr toedjoehna,
si bikang dibakakakeun,
pajah mah si kate bĕlek.”

Sakitoe ge Moending Laja geus djongdjon baë, hanteu ingĕt, da anoe ngomongan teh di loewar soekmana.

Geus kitoe Dewi Soekma teh njampeurkeun ka goerijang teja, toeloej dibibitaän goerijang teh, soepaja teu barang toewang.

»raga iga tanding gambang,
sotja mani bararintit,
gawena ngan tjeurik bae,
djaksi teh dipipir boemi,
kananga dikadjalankeun,
abdi teh nangis goemati,
Den Laja dikamanakeun,
pileuleujan tjangkang bejas,
hoeoet sadjĕroning kedjo,
pileuleujan oelah iklas,
imoet sadjĕroning nendjo,
haroeman goenoeng haroeman,
oeroet koering mapag lemo,
eusina katoentjar hideung,
kaloeman beuki kaloeman,
oeroet koering pagalentor,
ajeuna patoeraj tineung,
koema teuing diri koering,
goreng nakĕr toetoelisan,
awak teh naon halangan,
palangsiang aja tanda,
tanda wisnoe teh kapĕndĕm,
kapĕndĕm dina koeroengan,
malang bengsal dina badan,
tanda bodas teu kaboeka,
batin teuing bagdja awak,
dek aral koemaha baë,

[ 125 ]

kamana djalan ka tespong,
ka Bandoeng djalan ka Galoeh,
patjar tigoeling ka leuwi,
kikis ngĕlir ka basisir,
ki sampang si rantja galih,
toelang seel bĕbĕsaran,
kamana nja noeroet nepong,
indoeng bapa ĕnggeus djaoeh,
noeroet nepong ka gan mantri,
inggis koe sijeun dioesir,
rempan sijeun teu ditampa,
hanggasa bawa ti goenoeng,
dipipit bawa di rawa,
ka saha nja soemalindoeng,
nitipkean raga djeung njawa.

Ditoenda.

Tjarijos kawĕntarkeun, kabedjakeun, kasilimkeun, kaanginkeun ka nagara Koeta barang ka Goeroe Gantangan, ka dalĕm di Koeta barang Pĕrboe Radja nangkoda.

Kotjap boga koekoetan, sidji Soentĕn Djaja, doewa Dĕmang Rangga Kasontĕn, tiloe Arija Disontĕn, kaöpatna noe istri Dewi Ratna Kantjana.

Dĕmi tjeuk ramana: »eh Soentĕn, tjoba lamar deui Dewi Asri ka nagara Moewara beres, bedjana bobogohan ka Moending Laja, ajeuna geus paëh kasamboet goerijang toedjoeh, malak geus datang soeratna ka Padjadjaran, djeung dihiroepan oge ngarah naon lakian ka Moending Laja, kokoro njoso, mararat rosa, ipis doenja handap koeta, tjawĕt karo poeril, tjalana karo beutian, mĕnding ka Soentĕn Djaja lakian mah, noe loehoer koeta nja rosa oewang, djeung anak nangkoda sarta koekoetan menak Koeta barang.”

Gantjangna indit Soentĕn Djaja sadoeloer-doeloerna, ngaroengkoep koe tijoep, ngalengkah koe joeda ngarendeng koe kagĕdean, ngahina koe beubeureuh poetra ratoe waktoe angkat ka noe beunghar, sadjalan-djalan tjirigih katjida, sarta sagala ditadjong, anoe mojan bluk disepakan: [ 126 ]

noe ngalantoeng bĕk ditoemboek,
ngalawan ditampilingan,
anoe nendjo ditjidoehan,
anoe ngising ditampiling,
anoe ngisang ditjemplangan,
noe tjetjewok dilolowok,
noe silanglang ditoempakan,
ari ĕnggeus diteuleumkeun,
indit sampingna didjingdjing,
boeboedi tjara kijai,
lelewa kawas pandita,
lĕlĕgĕd koesoema bangĕt,
bari matja poedji baë,
dikirna ge sabilloellah,
badjoe kikip badjoe sĕnting,
beunang diparet koe kantjing,
wantoe djalma anoe ginding,
barina ngadingdjing samping,
djreung bisa leumpang ti peuting,
noe tara digogog andjing,
djeung sok bisa maling daging,
lain daging koeda moending,
daging sĕla-sĕla pingping,
kebeukina anoe ginding,
dimana noe geulis meuting,
ari di noe denok mondok,
ari ka noe lĕndjang sindang,
di noe goreng poelang powe,
nambahan bilanganana,
ana mondok tjadoe norog,
mahoegi koe ali beusi,
djanari dipoendoet deui".

Tjeuk Soentĕn Djaja: tjik anoe gadoer nagara sampoerasoen nĕda eureun, sindang nambaan palaj pepes kesang, mantog deui anoe boga nagara.

Gĕgĕr Malela saderekna Dewi Asri teja kaget nendjo [ 127 ]semah baragadag birigidig; atoeh kadijeu tjalik ka bale si pangeujeukan.

Goeloesoer baë Soentĕn Djaja tjalik ka manggoeng, kana lampit soengging lawe lapis, lampit soelam tambir ĕmas, djelegedeg edeg-edegan.

Ari tjeuk Gĕgĕr Malela: »semah teh bĕt ngokorokeun djahat katjida, ngaroeksak dangdanan, seng baë dipariksa koe Gĕgĕr Malela: »semah bĕt ngokorokeun djahat katjida, sampean anoe timana lĕmboer matoeh dajeuh maneuh bandjar karang pamidangan, lĕmah tjai kapoetihan, bale geusan ngadjadi, sĕrta saha toewang djĕnĕngan, pare satĕngah tiaëng rek naon pisĕdjaeun, toetoep djoeroe oempak lintjar geura pok bedjakeun”.

Ana poentjĕrĕng teh Soentĕn Djaja: »heran katjida koe oerang Moewara beres, bisi hĕnteu njaho nja oerang anoe ngaran Soentĕn Djaja, poetra nangkoda noe digdjaja, anoe loehoer koeta rosa doenja anoe rosa banda teja, anoe ngaran Soentĕn Djaja teja.

Gĕgĕr Malela hoökeun baë nendjo semah ditanja pibedjaeun anggoer ngagoelkeun banda baë.

Ari tjeuk Soentĕn Diaja:

»ari oerang saĕnjana,
lain lantoeng tamboeh lakoe,
lain lentang tanpa bedja,
teu andĕng samian keuneung,
teu lentang samian midang,
lantoeng aja pilakoeeun,
lentang aja pibedjaeun,
dek ngalamar Dewi Asri”.

Pagar bobogohan djeung Moending Laja sidik atawa hĕnteu?”

Ari tjeuk Gĕgĕr Malela: »sadaja ge geus tĕrang katjida, Moending Laja ka Dewi Asri kabogohna ti bareto, kahajangna ti baheula, ngan doeka lamoen ajeuna, bedjana dipĕrih pati koe iboena koe ramana dititah njoesoel impian, ngapoeng sadjabaning langit, njokot lalajangan teja, teu atjan aja bedjana datang deui. Tah kitoe tjeuk patih nagara. [ 128 ]Ari tjeuk Soentĕn Djaja: »kapan ĕnggeus kodjor ditĕkoek goerjjang toedjoeh, ajeuna mah ka oerangkeun baë.”

Ari tjeuk patih nagara: »tatjan gasik nampi, oerang saoer heula baë djinisna Dewi Asri teja”. Teu lila djol datang ka pamĕngkang ngadeuheusan ka saderekna:

»Lakotoj sangkeloh mando,
esod ngempor djeung karembong,
idĕk likĕr djeung kĕkĕmben,
tjong ditarimbang koe sĕmbah,
doeh ĕngkang sadoeloer koering,
sabĕndoe-bĕndoe disoehoen,
sadoeka-doeka ditĕda,
sim koering gadoeh pihatoer,
njoehoenkeun soerija padang,
ĕngkang naon pikĕrsaeun,
bĕt njaoer ka djisim koering".

Ari tieuk Gĕgĕr Malela: »ijeu rek ngoeningakeun semah, sĕdjana ka ĕnden pisan, Soentĕn Djaja poetra nangkoda ka njai arek ngalamar:

»Bet Nji Dewi kĕlet baë,
kawas mata moending boele,
giroek bari mere sĕmoe,
djĕbris bari mere boedi,
godebag mere pitoewah,
lelewa teu panoedjoeeun,
mere batin nja lalaki,
matak kĕsĕl ngagarindjĕl,
matak ngewa amatanan,
matak geuleuh soepa beureum,
matak djĕlek ngalembereh,
kĕmbang wera kĕmbang beureum,
kĕmbang gandarija manis,
matak era deungeun-deungeun,
matak tjararija kami.

Kami teh boga beubeureuh, beubeureuh kami lain Raden Djaja, loetjoe poendoekna sĕrta lesang tarangna djeung deui [ 129 ]loetjir pipina, nampian ka Tji-dalima hĕnteu kopo-kopo atjan, handeuleun raraga djati, palataran babalean, tjaroge iklas raga djeung pati, lantaran eudjeung tjaroge, kadjeun teuing kokoro njoso, sok mararat rosa, soepaja kasep tjaroge:

»kadjeun moending boeloe hiris,
kadjeun koeda boeloe landak,
ka djalan ka parijakeun,
kadjeun ge ngĕdĕng boeligir,
goledag hanteu disamak,
soepaja djeung Raden Laja.

Geus kitoe tjeuk Soentĕn Djaia: »koedoe baë njai, teu bogoh koedoe bogoh, teu hajang koedoe hajang, teu dek lakian misti lakian, mĕnding mana koe akang dipaksa djol win baë.”

Djawab Nji Dewi Asri: »mangga koering tjarogean, roepakeun pamenta koering. Menta nagara djeung eusina, menta goedang dalapan poeloeh djeung eusina masing ĕngab djeung eusina goemirintjik boemi langit:

gĕdong gĕdah beunang natah,
bilik gĕdah lojang sari,
tihang gĕdah beunang natah,
reudjeung menta bokor ganggong,
bokor ganggong noe salongok,
nanampan anoe satoendjang,
ĕmas doekĕt golondongan,
djeung menta ingon-ingonan,
ingonan noe soemarajap,
reudjeung anoe soemarandang.
Menta banteng sĕmoe gading,
toengganganeun mantri-mantri.
Menta gadjah anoe bĕlang,
sarta parabotna ĕmas,
toelale gading kantjana,
sihoeng di gading malela,
ngagĕbaj boentoet banjoemas,
tjeulina parada papan,

[ 130 ]

toengganganeun pra-ponggawa,
Koeda hedjo samparani,
toengganganeun mantri-mantri.
Gĕr sagala karasmenan,
karasmen ngarak panganten,
karasmen rendengan kawin.
Sarta reudjeung menta hajam,
hajam djeung koeroeng batangna,
boeloe mĕri lojang sari,
hoeloe sowang lojang ĕmas.
Djeung menta poejoeh boentoetan;
djeung menta peusing sihoengan;
djeung menta peutjang tandoekan.
Menta bilatoeng toelangan;
djeung menta oelam igaän,
eudjeung hoeloe seureuh koedoe,
djeung deui bakakak gadjah.
Sanggeus kitoe, gĕr tanggeujan
tanggeujan toeroen bantajan
ambek sohor ka nagara
sohor ka nagara deungeun
menta dangdanan gĕdogan
gĕdogan ki djati noenggal,
toendjangan boengboelang peutjang,
dadampar ki djoelang anom,
limboehan kai tanggoeloen,
djingdjingan kai tanggilin,
soeri awi tali moenggal,
toropong tamiang sono,
titihan koeningan sari,
tali tjaor oentoen sewoe,
tali hapit dĕmpet angkeng,
mangga koering tjarogean,
roepakeun kahajang koering,
da pira daradjat koering,
njijar sakoemaha deui,

[ 131 ]

ninggang kana babasaän,
oerang moen njair djoengdjoeloeng,
kabĕnĕran meunang dĕgoeng,
njair hoerang meunang loebang,
tjoel batok meunang patehan,
pira daradjat sim koering,
lakian meunangkeun soenan".

Ari Soentĕn Djaja reup baë ngahoelĕng:

ngahoeroen baloeng koe toelang,
ngagaro kontol koe tjokor,
ngadĕmpet sirit koe pingping,
sĕmoe-sĕmoe anoe poesing,
sihoreng djamĕdoed poendoeng.

Reup geuneuk maleukmeuk kawas beusi atah beuleum, mani angkeub nagara koe baeud Soentĕn Djaja, roebak biwir batan simboet.” Naha pepentaän teh liwat ti meudjeuhna teuing, sok kadjeun banda saradia banda mowal boeroeng roepa, da ĕngkang teh djalma kaja, ngan ijeu baë dipentaän poejoeh boentoetan, peutjang tandoekan, peusing sihoengan, ĕngkang teh soesah katjida”.

Ngeng baë kadenge koe panakawan, ari tjeuk lengser: »bĕnĕrna roepakeun baë agan pamoendoet sakitoe mah, da ĕneng teh mani boendĕr ti loehoer ti handap, ontong sapantaran agan, tjatjakan, abdi kapoengkoer basa kawin ka Si-roeroejĕm aja oge pamentana: wawaloen boetoet toedjoeh likoer, tjaretjet soweh salawe, ditambah ipĕkah sapoeloeh baroe, mas kawin sapoeloeh doewit.

Ari Soentĕn Djaja ngadenge omongan lengser, gĕdjlig baë balik, napsoena ngagoegoedoeg, amarah teu kawadahan, ambĕk njĕdĕk. Ari tjeuk lengser: »daëk batjot teh kamana semah teja, si djamboe asak teh, dipentaän sakitoe-kitoe baë koe agan, miris pikir njeler wawanen, kelor hedjo sisi pagĕr, noeroes toengdjoeng ka antoekna, sĕlang kitoe oge barang datang ka oerang deui teh parangas-porongos, toengtoengna djadi perenges.

Katjarita Soentĕn Djaja ĕnggeus datang ka nagara Koeta [ 132 ]barang, gawena djamĕdoed poendoeng, dipariksa koe ramana koekoetan, koe radja nangkoda teja: »eh Soentĕn, koemaha ngalamar teh asoep atawa hĕnteu?

Ari tjeuk Soentĕn Djaja: »tjoemah ama, geus kahalang koe batjot oerang Padjadjaran, ari Dewi Asri teh daëkeun si daĕkeun djahat pamentana, diëtang bari moelang, ditoelis bari balik, koedoe roepa banda salawe kapal.”

Ari tjeuk ramana: »montong moendoer da oerang teh hanteu miskin, loehoer koeta gĕde doenja, rahajat nangkoda woengkoel, sadajana dek ngadjoeroeng, malah-malah oerang Padjadjaran oge teu akoer ka Moending Laja, akoerna ka oerang kabeh, soepaja Raden asoep ngalamar. Gantjangna njaoer ka Patih Halang barang:

gĕgĕdoeg di Koeta barang,
mantri noe hideung koelitna,
ponggawa bĕlang bajahna,
nja kitoe deui letahna,
awakna bĕlang sabeulah,
tjitjiren lalanang djagat,
lalakina kolong langit.
Gantjang ngadĕgkeun sembara,
nakol bĕnde kaboejoetan,
pĕntoelna sagĕde gardoeh,
disadana dĕg tjengengeng,
boeroeboel anoe koempoelan,
sadaja seba sewaän,
tjektjok menak noe ti koelon,
giringan Raden Kaliwon,
toetoenggangan moending dongkol,
moewatan djagong djeung ĕngkol,
morobot sowara pestol,
sora pelog djeung koromong,
tambah djeung sora biola,
kĕndangna tjatang kalapa,
ditoetoepan koelit domba,
dirarawat ki samodja,

[ 133 ]

ditakolan laki randa,
leumpangna pating darĕpa.
Kagĕntos menak ti kaler,
giringan menak ti kaler,
giringan Raden Dipaten,
sebana ronggeng djeung topeng,
ĕnggeus nerengteng kĕndangna,
kĕndangna koeloewoeng djambe,
dirarawat howe sĕbe,
noe mawa para tjawene,
ditakolan koe ki lĕbe.
Boeroeboel menak ti wetan,
iringan Raden Koemĕndang,
toetoenggangan koeda bĕlang,
sebana gambang djeung wajang,
emprak soerak reudjeung tĕmbang,
gamĕlan katoet badingdang,
gĕndangna kai boeboetan,
ditoetoepan koelit peutjang,
dirarawat howe kidang,
ditoempakan boedak boedjang.
Boeroeboel menak ti kidoel,
giringan para toemĕnggoeng,
sebana tjaloeng djeung angkloeng,
gobag boentoeng bahoe roejoeng,
dibaän koe indoeng-indoeng,
ngagoeroeh ka aloen-aloen.

Kotjapkeun pada tjaroendoek ka aloen-aloen sewoe tahoen.

tanah lapang sewoe tjĕngkal,
di latarna heurin oesik,
ngĕpoeng sakoeriling boengking,
djadjar papandananana,
mĕlĕngkoeng oemboel-oemboelna,
ngabaris sampiranana,
ngalĕmĕng bandera beureum,
bandera beureum sapotong,

[ 134 ]

tjitjiren noe sĕsĕrahan,
anoe sĕsĕrahan banda,
sarta didjoemlah bandana,
ngalindĕr salawe kapal,
di leuwi Sipatahoenan.

Patih nagara mĕrtjajakeun: „wah lengser geus mangsa bodo maneh baë, wong agoeng sarawoeh pamoek, balad reudjeung panajagan, tatakeun geura pĕtakeun, pĕrtjaja ngan ka maneh.”

Ari lengser kakara dipĕrtjaja bĕngis katjida, tatalipak ka panajagan, naradjang ka toekang heot dalapan poeloeh: „geura monjong batjot sija sato ti ajeuna. Naha boetjat-batjot teuing lamoen biwir kitoeh, roesoeh batjot baë.” Tjeuk toekang heot: „naha iraha mangkana sĕsĕrahan banda teh?”

„Mangkana mah toedjoeh powe toedjoeh peuting deui, ngan koedoe monjong ti ajeuna, lamoen hĕnteu daëk monjong, ajeuna digoenting, biwir sagoeling tjinggir.” Ari tjeuk toekang heot teh: „digoenting biwir sagoeling tjinggir mah atoeh bejak, mĕnding monjong ti ajeuna, isoek biwir ti handap, ajeuna biwir ti loehoer.” Soerak dalapan poeloeh: „koedoe tjalangap ti ajeuna, moen hĕnteu daëk tjalangap didjoegang.” Mĕnĕr deui ka toekang sepak dalapan poeloeh: „geura djengke ti kiwari, moen teu daëk djengke dibadjeg, pĕdangna geus ngabar diloewar.” Mĕnĕr deui ka toekang godĕg dalapan poeloeh: „geura dengdek ti ajeuna, moen teu daëk ditjĕkek.” Mĕnĕr deui ka toekang bĕkok dalapan poeloeh: „geura tjawel boedjoer ti kiwari.” Mĕnĕr ka toekang kĕndang, panakol: „geus masang baë liar kana iroeng batoer.” Lengser teh ripoeheun katjida, tĕng ka koelon, tĕng ka wetan, tĕng ka kaler, tĕng ka kidoel, mĕtakeun balad djeung panakawan, pamoek djeung para wong agoeng, ponggawa, pĕrboe, para gĕgĕden, djeung ngoeroeskeun anoe njamboengan, djeung metakeun ondangan, djeung ngabereskeun toekang boseh, ngarijoengkeun toekang angkloeng reudjeung toekang dajoeng,

ngadjadjarkeun toekang galah,
ngabariskeun djoeroe moedi,
mĕlĕngkoeng oemboel-oemboelna,

[ 135 ]

ngabaris sampiranana,
djadjar papandananana,
ngĕlĕmĕng bandera beureum,
bandera beuream sapotong,
tjitjiren toeroes bantajan,
lengser djeung meuntjitan ĕmbe,
didjoemlah salawe ĕmbe,
djeung dipeuntjitan boentoetna.

Geus kitoe ĕmbe teh diangeun dina kantjah,

gĕdena salawe deupa,
boeat marab panajagan.
Ari ditejang angeun teh,
geus bejak euweuh boekoeran,
kapanggih rajap di darat.

Geus kitoe lengser loempat ka oebroeg:

ngadadak marentah olah,
oerang dapoer kabeh goegoep,
wantoening olah dadakan,
ngedjo geura dimĕnjanan,
ngawadjit ditarasian,
ngaborondong diontjoman,
ngasakan djantoeng dipindang,
ditjotjol ojag daoenna.

Teu lila harita indit banda noe salawe kapal:

ngalidĕg di Tji-haliwoeng,
ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut,
ngĕmbat ngantaj njatang pinang,
ngagoeroeh djeung tatabeuhan.
Teu ditjatoer di djalanna,
tjatoerkeun datangna baë,
ka leuwi Moewara beres.
Sĕrtana Goeroe Gantangan,
ngahandjatkeun balad-balad,
ponggawana tigang laksa,
pamoekna dalapan poeloeh,
rejana noe rek ngarampog,

[ 136 ]

ngarampog ka Moending Laja,
bisi datang beurang peuting,
pakarang rongsog ka tjai,
toembak teu disarangkaän,
pĕdang geus ngabar di loewar,
bĕdil beunang ngamimisan,
pestol geus beunang meloran,
maryĕm beunang nĕtĕgan,
sadija piroewang leugeut,
ngagoedag beh baroewangna,
ngadjolor pongkol bintaro,
geus rampak boerang malela,
ngadjĕgir gaganden beusi,
sagĕde moeding saädi,
wantoening parabot rampog,
sajaga kabina-bina,
mantrina ge tigang kĕti,
sarta noe beunang milihan.

Geus kitoe Goeroe Gantangan toeloej baë ngahandjatkeun toekang bas anoe bade ngadĕgkeun nagara teja, satjabakna-satjabakna, toekang balijoeng dalapan poeloeh, toekang tatah tigang laksa, toekang ragadji tigang kĕti, toekang soegoe tigang reboe, toekang rimbas tigang laksa, toekang tjoretan tigang lawe, toekang kajoe aja bakoena, toekang noewar aja lawanna, toekang kajoe geus ngabakoe.

Kotjap balad Soentĕn Djaja,
ngagoeroeh tanpa roeroekan,
sada bitoeng kahoeroean,
ngagĕdĕr tanpa bilangan,
sada tamiang bareke,
lamoen didoeroek morobot,
nja kitoe sora pakarang,
haliwoe kawas noe nawoe,
wantoe noe eukeur ngadĕgkeun,
ejar kawas anoe marak,
toekang kai lain deui,

[ 137 ]

karek roeboeh beunang noewar,
geus digdig datang noe meulah,
di djalan keneh dibeulah,
tatjan sapat geus dipapas,
tjoendoek deui toekang soegoe,
djol deui toekang sipatan,
ĕnggeus hĕnteu ngoeroes deui,
keuna kana mata deungeun,
disipat teu atjan parat,
datang noe toekang ngadĕgkeun,
geus djoeng baë diadĕgkeun,
djeung deuina toekang tatah,
geus ngĕtrok di loehoer imah,
koemaha tjaladi koendang,
roesoeh teuing noe ngadĕgkeun,
wantoe rosa teuing balad,
pagawean geus teu oeroes,
memeh oesoek hateup heula,
memeh nĕrapkeun daloeroeng,
paloepoeh ĕnggeus dipasang,
tihang teu atjan sadija,
geus nĕrapkeun bilik heula,
pamikoel aja di handap,
pangĕrĕtna tjlok di loehoer,
soehoenan di handap keneh,
ari woewoeng djol di loehoer,
bawaning koe rosa balad.

Soentĕn Djaja katingali koe noe geulis Gambir wangi, pimitohaeunana iboe Dewi Asri teja. Tjeuk Gambir wangi: „wah Soentĕn Djaja, karoenja teuing, ijeu nagara teu kaoer anggeus, balas moelaän ka toekang.”

Gantjangna dipangnjiptakeun baë, moeka karembong soetra tjinde woeloeng. Sanggeus ditjipta koe Gambir wangi, nagara teh kadjadian, dingaranan nagara Kokar beres, dieusikeun banda noe salawe kapal teh. [ 138 ]Ari tjeuk Goeroe Gantangan: „oerang Moewara beres bantoean ngoendjalan banda.” Tjeuk oerang Moewara beres: tara nanggoeng; pangnjijarkeun boeroehaneun baë.” Didjawab deui: „tara boeboeroeh.” Tjeuk oerang Moewara beres: „gantjangna banda teh dioeroes koe semah baë.”

Ari tjeuk Goeroe Gantangan: „lamoen djiga kijeu mah, priboemi teh ngawarah katjida.”

Ari geus kitoe Soentĕn Djaja ditĕpoengkeun djeung Dewi Asri, ngagoeroeh djeung tatabeuhan.

Goeroe Gantangan bebesanan djeung Rangga Malela, manahna soeka katjida. Dĕmi koe Gambir wangi ditjandak poetrana Dewi Asri teja ditĕpoengkeun ka Soentĕn Djaja barina njandak lĕmareun. Ditimbalan koe iboena; „dĕmi Dewi Asri, aja pihatoer”. Mangga, koering rendengan djeung Soentĕn Djaja, rendengan hjjasan baë, lĕkasan mah hajang sarĕng Raden Laja baë, hoewap lingkoeng djeung Soentĕn Djaja, ari ebog mah hajang djeung Raden Laja, barina njanggakeun lĕmareun ka Soentĕn Djaja teja, tatapi lĕmareun teh digantaran baë, koe sangeuk pagaris koelit.” Ari iboena era katjida, dirontok baë Dewi Asri djeung Soentĕn Djaja, dibawa ka padalĕman dipangantenkeun.

Ari tjeuk Gambir wangi: „dek ngera-ngerakeun kolot bari dikoentji;” iboena ladjĕng kaloewar sarta bebesanan deui. Dĕmi Dewi Asri gawena ngan pista baë, oepama Soentĕn Djaja ka djĕro, ijeu ka loewar, oepama Soentĕn Djaja ka loewar, Dewi Asri ka djĕro.

Kagaris ge mani nakis,
dioesap mani midangdam,
ditowel ge lolongseran,
radjeun oge koelĕm reudjeung,
dihalangan koe goegoeling,
Dewi Asri teh sasambat,
sasambat ka Raden Laja.

Geus kitoe aja alamat datangna ka Raden Laja goemĕbĕg di pangtapaän. Dĕmi tjeuk Moending Laja: „wah! Moending Sangkala, kami teh boga impian, ngimpi kalĕboeh di laoet, [ 139 ]bĕdjad kapal di sagara sĕrta peunggas djeung tihang tihangna, katoet djeung lajar-lajarna disamboet koe angin.”

Ari tjeuk Moending Sangkala: „sadaja-daja da Raden leuwih oeninga.” Ari Moending Laja njaoer deui, „ngan aja bereto oerang noenda pipawarangeun di nagara Moewara beres, ngan ditoöng baë koe elok sangkala bolong, awas katon tetela Dewi Asri geus ditjarogeankeun ka noe loehoer koeta gĕde doenja sĕrta dibawakeun banda salawe kapal.” Ari saoer Moending Laja: „ngаn moegi baë Dewi Asri oelah beunang dikoelĕman koe Soentĕn Djaja sĕrta dikirim impian saban peuting.”

Geus kitoe Moending Laja toeloej amit ka ejangna Dewi Poehatji Wiroe Mananggaj, kawidian sĕrta dipaparin djimat boeli-boeli ĕmas, eusina minjak tji-kahoeripan reudjeung doehoeng kaboejoetan teja.

Gantjangna Moending Laja, Moending Sangkala indit ti pangtapaän ti pangtjalikan, sĕrta lalajangan teh dibawa toeroen manggoeng, datang ti awang-awang, soemping ti djabaning bangit.

Teu ditjatoer di djalanna, djaoeh mowal boeroeng tjoendoek, anggang mowal boeroeng datang. Kotjapkeun datangna baë. Doeg djĕboel ka batoe patjakoep, ka Sangijang tjadas patenggang, kana karang gantjor pangbadjoan, ka anoe ditoenda teja, ka оеwа Kidang Panandjoeng, ka oewa Gĕlap Njawang.

Ari tjeuk Moending Laja: „eh Moending Sangkala, eta teh parahoe oerang noe ngadingding kawas pasir, ngaroeng goenoek kawas goenoeng, tjoba koe maneh geura angkat.” Koe Moending Sangkala ditewak tjaroek dibantingkeun ka tjai ka wahangan Tji-haliwoeng. Teu lila ear ponggawa newak ka Moending Sangkala: „sija teh bangsat mipit teu amit ngala teu menta, parahoe aing naha diangkat.” Kitoe teh bari Moending Sangkala pada nampilingan, tapi manehna tjitjing baë. Teu lila bidjil ambĕkna, tanggaj malela teja dek njakar ngagaroe kambangkeun, koe Moending Laja ditewak dikatoekangkeun: „maneh teh oelah ngalawan, eta teh karoehoen oerang, moen malĕs matak maneh doraka, [ 140 ]sabab eta soenan oewa Gĕlap Njawang.” Naradjang ka Moending Laja, dek nampilingan, dihalangan koe lalajangan: „wah! soenan oewa, ijeu djisim koering ngaran Moending Laja teja.”

Rampoejoek Gĕlap Njawang: „oewa teh rada kasmaran, oedjang teh geus gĕde pisan.”

Teu lila, toeloej arindit balajar baë, parahoe madjoe ti girang, geus datang ka leuwi daoen. Kidang Panandjoeng boewang djangkar, ari tjeuk Moending Laja: „naha oewa boewang djangkar lĕbah dijeu, kapan oerang teh djaoeh keneh.” Ari tjeuk oewana, „bo oedjang, wantoe oerang mawa indoeng djoerig, alamat njorang anoe rendengan ngagĕdĕr, tangtoe manggih djalma loba meureun kaget, Moending Sangkala oerang polorkeun.” Ari tjeuk Moending Laja: „sadaja-daja da oewa langkoeng oeninga, da geus lĕgok tapak gĕnteng kadek, geus reja nja pamĕndak, geus njaho kana pisalamĕteun.” Pendekna heës Moending Sangkala; geus kitoe, balajar deui, datang ka Batoe toelis. Ditoenda tjarios Den Laja. Kotjapkeun Nji Dewi Asri anoe pangantenan teja pistana kabina-bina ka Soentĕn Djaja, wireh ing koerang soekana. Gantjangna dipaksa di djĕro kadaton, dirontok, disakombongkeun, ditewak, disapisankeun, boeboehan istri noe geulis sarta sakti, Dewi Asri midoewa raga, ngagedog salira mindahkeun roepa kana goegoeling, Soentĕn ebog djongdjon-djongdjon djeung goegoeling.

Nji Dewi kaloewar toeloej bidjil tina padalĕman, amit baë ka iboena siram ka djamban larangan.

„Tjing iboe idinan koering,
hareudang bajeungjang teuing,
marerang arateul teuing,
oendoer hajang katingali,
hajang katingali poendoek,
leumpang katingali tarang,
njoehoenkeun baloengbang timoer,
djeung nĕda soerja padang.”

Ari iboena harti katjida wantoening roeroentoek anom, [ 141 ]djeung deui awas ningali, tjeuk iboena: „rek naon mĕgat-mĕgat noe teu oeroes, Moending Laja teh naon gablĕgna, kokoro njoso, mararat rosa, tjalana karo beutian, noe ipis noe koerang orang, mĕnding ka Soentĕn Djaja sakahajang geuning roepa, nagara geus djeung eusina, banda ge salawe kapal.”

Ari tjeuk Dewi Asri ka iboena Gambir wangi:

„Kadjeun teuing da geus tĕpi,
geus tĕpi ka titis-toelis,
geus ninggang ka koelak tjanggeum,
sakijeu kadar pangeran,
topek rombeng diri koering,
sasawi djadi di tjai,
saladah dikahoemakeun,
ari moenggoeh diri koering,
kadjeun teuing djadi djoerig,
djadi djoerig oenggal kĕmis,
atawa djadi ririwa,
ririwa oenggal salasa,
kodjor teh djadi tongtohot,
njĕri beuheung sosonggeteun,
kikis tjopong pagĕr noöng,
noöng ningali Den Laja.”

Soemping iboena Nji Gambir wangi, ambĕk kabina-bina hĕnteu didenge omongan, njokot tjaor dek ditotog.

Dewi Asri ngĕdjat ngaleungit, toeloej baë kaloewar ti wawangoenan datang ka djambatan larangan, ka kĕmbang tjampaka warna, papanggih djeung parahoe, horeng teh sampan Den Laja. Dewi Аsгі gĕgĕгоап ka Patih Gĕlap Njawang: „tjing oewa eureunan koering soegan kĕrsa roeroempaheun, njimpang ka nagara koering.” Dĕmi Kidang Panandjoeng ngomong bari toeloej parahoe teh dileumpangkeun, Dewi Asri kasĕrĕngan loempat ka wahangan tjai, parahoena dibalikeun, noe ti hilir tjlok ti girang, Nji Dewi Asri tĕroes ka djĕro kana sampan Pelang kantjana.

Kasondong ka Sindang laja,
keur sono Den Laja aja,

[ 142 ]

dirontok djeung digalemoh,
dikaleng bari dipontel,
ditoengkoelkeun, ditanggahkeun,
ditjijoem dikoeja laoet,
sĕmoe diroenja dirĕnjoe,
ditjijoem disalindoengkeun,
diharewosan ditĕmpo.
Dipalang-palang koe dada,
njijoem bari ngegel biwir,
kopo tjondong djeung djongdjoho,
taleot djeung talawoengan,
Nji Dewi kalangkoeng sono,
Raden Laja oge komo,
galejoh kana lahoenan.
Den Laja montjorong teuing,
ti peuting sasat kaimpi,
ti beurang kapirarajkeun,
ngimpi koelĕm djeung andjeunna,
tĕpoeng soekma pada soekma,
ajeuna datang djinisna.

Ari gĕr teh: „koemaha panto teh boengangang sapeuting?”

Kasoer teh sabeulah soewoeng,
goegoeling soewoeng ti gigir,
njampakeun Den Laja soemping,
kadijeu kajoengjoen teuing,
agan teh djoengdjoenan ati,
„na Aden bĕndoe koe naon,
ditjijoem sasalindoengan,
digegel sasanggerengan,
dipisono njolowedor,
dipitineung los ka deungeun,
dipoentangan teu tarima,
dipageuhan ngoesiwĕlkeun.” blz.

Ari tjeuk Den Laja: „akang teh lain bĕndoe, ngan koe tjararape keneh baë.” „Bisi akang bĕndoe ka djisim koering, wireh ing koering dibawakeun banda salawe kapal koe [ 143 ]Soentĕn Djaja, da koering nadjis teu beuki, da koering haram teu hajang, mowal dibelaän mileuweungan, mĕgat-mĕgat diri ĕngkang.”

Ari tjeuk den Lаја: „bareboe soekoer baë, peupeurih ĕngkang ngan diri woengkoel datang ka salira njai, bisi ĕnden teu oeninga, eta teh beunang ĕngkang tatapa menta kasoegihan, ajeuna mah montong lambat dipisaoer.” Tjeuk Raden Laja ka oewana: „eh oewa! Moending Sangkala geura geuingkeun.” Teu lila koredjat hoedang, saoer Moending Laja: „ajeuna maneh Moending Sangkala koedoe geugeulis panon ka nagara Moewara beres, tanjakeun ngaran oerang?”

Moending Sangkala ngĕdjat indit. Datangna ka leuwi Lajoeng, bĕt manggih djalma loba bade ngarampog Raden Lаја. Koe Moending Sangkala ditanja: „ijeu teh djalma loba badjo, sija keur naraon, ĕngke sija dilĕbok.” Rampog kabeh toeloej kaboer, madjar maneh indoeng djoerig, koekoena tanggaj malela, pandjang doewa balik sikoe, harita bidjil sadaja sĕrta beunang ngawaranganan. Moending Sangkala ambĕkna kabina bina.

Ambĕkna lir goenoeng djadi,
deuk ngamoek teu aja moesoeh,
ngamoekna kana parabot,
kikir beusi digisikan,
boerang malela digelang,
pelor rante dibeuweungan.

Teu lila aja noe nanja: silaing teh oerang mana, parabot oerang diroeksak, kapan oerang anoe toenggoe, ngaran Patih Halang Barang, gĕgĕdoegna Koeta barang.

Ditjakar garoe kapakkeun,
koe tanggaj malela teja,
anoe doewa balik sikoe,
sĕrta kalĕm sadajana,
ditjabok disapisankeun,
mawa oerat mani rambaj,
reudjeung mawa-mawa daging,
hidji koekoe moen didjoemlah,

[ 144 ]

beuratna gĕnĕp gĕntaeun,
Raden Patih Halang Barang,
koe Raden Patih Sangkala,
toeloej baë dipĕrangan,
disoeroeng antjoel-antjoelan,
diseundak engklak-engklakan,
disered engke-engkean,
seredan ejar-ejaran,
mĕnĕran ka aloen-aloen,
ka nagara Koeta beres,
ka noe keur tataloe teja,
noe rendengan Soentĕn Djaja,
pamoek kabeh mani goejoer.

Koentĕn Wajang, Sarĕngga Wajang, Pĕrboe Gadjah Sampoeloe, Moending Pakoean, Rangga Malela, samalah Goeroe Gantangan miloe toeroen noe boga poetra koekoetan teja miloe misah anoe pĕrang.

Ari Moending Sangkala keur meudjeuhna toeroen amoekan, ngamoek teu dipilih tanding, datang lima ditjakar lima, datang gĕnĕp ditjakar gĕnĕp, loba pisan pamoek noe bĕdjad tarangna, sawareh ragrag pipina, sawareh ngambaj matana, sawareh disalindang oerat, noe rambaj siki kontolna oge aja ditjakar koe Moending Sangkala.

Geus kitoe kaoeninga koe patih nagara Moewara beres Gĕgĕr Malela teja, toeloej toeroen njapih ka noe eukeur pĕrang, ditewak koe panangan kentja Arija Patih Halang Barang, dialoengkeun katoekangeunana, ngarontok Moending Sangkala. Moending Sangkala naradjang ngagaroe kambangkeun ka Patih Gĕgĕr Malela, mani hĕnteu teurak. Toeloej baë pĕrang tandingan.

Pĕrangna rame katjida,
wantoening pada djagona,
wĕdoek ĕnggeus manggih taroeng,
bĕdas ĕnggeus manggih lawan,
silih djoengdjoeng, silih soeroeng,
silih seundak, silih doepak,

[ 145 ]

silih djingdjing djeung tampiling,
silih sered, silih keser,
panajagan mani rijab,
kadoepakan koe noe pĕrang,
kikis mani pabaroeis,
kandang djaga paboerisat,
toetoenggoel beusi ngagoeling,
koeta wadja mani rĕmpag,
babantjong tigogolontjong,
kikis beusi mani djoerĕj,
kadoepak koe noe keur taroeng.

Geus kitoe Gĕgĕr Malela ngomong kа Moending Sangkala:

„ĕngke pĕrang eureun heula,
pĕrang teu ngareunah teuing,
oerang pantjakaki heula,
bĕt pĕrang taja madjoena,
kawas wĕdoek noe sagoeroe,
noe bĕdas sapananjaän,
taroeng teh paoengkoe-oengkoe,
pĕrang teh padjaga-djaga,
dewek hajang nanja heula,
silaing anoe timana,
lĕmboer matoeh dajeuh maneuh,
saha nja indoeng nja bapa,
sĕrtana saha nja ngaran,
djeung naon noe dibelaän,
ngamoek teu dipilih tanding,
gorodjog tanpa rarapan,
pok silaing geura ngomong.”

Ari tjeuk Moending Sangkala:

„koela teh soekoer katjida,
noe dipenta ge nja kitoe,
hajang teh aja noe nanja,
wantoening geugeulis panon,
ari Patih Halang Barang,

[ 146 ]

anggoer heug mĕrangan bаë,
noe matak toeroen amoekan,
tah kitoe lantaranana,
ajeuna mah seug koe koela,
koe koela rek diomongkeun,
oerang teh ngadongdon doeloer,
anoe ngaran Moending Laja,
bedjana aja di dijeu,
sidik atawana hĕnteu,
dĕmi ngaran kaoela teh,
katĕlah Moending Sangkala,
noe bidjil ti beulah batoe,
eling teh geus kijeu baë,
ari indoeng djeung bapa mah,
kaoela teh hĕnteu njaho.”

Ari tjeuk Gĕgĕr Malela: „pangdenge teh doeloer ka Moending Laja, ka dewek ge meureum baraja, malah ka bapana ge oewa ka Pĕrĕboe Siliwangi, ratoe di Padjadjaran, ajeuna mah oerang ontong toeloes pĕrang, hajoe oerang moelang baë ka ĕngkang, ka paseban, ka bale si-pangeujeukan, bale rarawis kantjana. Moending Sangkala toeloej ngiring ka pamĕngkang, toeloej pantjakaki baë.”

Ari tjeuk Gĕgĕr Malela: „bareto mah ĕпја pisan Moending Laja bobogohan ka noe geulis Dewi Asri sarereja pada njaho, ajeuna mah doeka teuing hĕnteu njaho, bareto teh aja bedjana handjat ka djabaning langit, kasamboet goerijang toedjoeh, kaoela bedjana deui, malah-malah ajeuna mah Dewi Asri teh geus boga salaki, Soentĕn Djaja-salakina, anak nangkoda oerang Noesa barang, koekoetan Goeroe Gantangan, oerang nagara Koeta Barang.”

Geus kitoe kadenge koe Soentĕn Djaja, ari tjeuk Soentĕn Djaja: „saha nanjakeun ngaran Moending Laja, geus euweuh di kijeuna, Moending Laja teh geus paëh ditĕkoek goerijang toedjoeh, ditoe di djabaning langit, ajeuna mah noe boga паgага Beres nja kami, noe ngaran Soentĕn Djaja teja, noe loehoer koeta gĕde doenja.” [ 147 ]Ari tjeuk Moending Sangkala: „koela mah nja soekoer baë, da toenggal doeloer ijeu ka Gĕgĕr Malela, malah koering oge sanggoep djadi pamoek di nagara Koeta beres, sanggoep njanggoet goentoer, njanggap sagara, barani katĕmpoehan oemoer, barani katĕmpoehan njawa.” Ari geus kitoe, ditoenda heula.

Tjarios, kotjapkeum Moending Laja djeung noe geulis Dewi Asri, dihandjatkeun koe oewana Kidang Panandjoeng, Gĕlap Njawang; toeloej baë ka nagara Moewara beres noe geulis djeung noe kasep.

Pajoeng hidji koe doewaän,
angkat bari rerendengan,
hoeroeng djiga lajoeng isoek,
djeung djiga boelan toemanggal,
nja keasik-keusik barĕntik,
nja tjadas-tjadas harerang,
nja batoe-batoe haroeroeng,
kahibaran koe noe geulis,
djangkoeng saroewa pĕndekna,
hidoeng saroewa konengna,
poeroen saroewa daëkna,
nineung saroewa sĕdĕngna,
roewas boengbas pipir hawoe,
noe geulis modongsong koneng,
mani goejoer salĕlĕmboer.
Geus gandeng di djĕro dajeuh,
ejar di djĕro nagara,
ngagoeroeh djeung tatabeuhan,
tĕmpatna di aloen-aloen,
aloen-aloen sewoe tahoen,
tanah lapang sewoe tjĕngkal,
tataloena toedjoeh tahoen,
njijeun pesta toedjoeh boelan.

Kotjap noe iring-iringan Moending Laja rendengan warna-warna, panajagan, toekang tjĕtrek mani geus teu koelitan, [ 148 ]toekang soerak teu soraän ngan bati tjalangap baë, toekang godĕg geus teu ngoeroes goöng, bati galar gilĕr baë, toekang rigig geus teu ngoeroes tjindĕk bati ririgigan baë, toekang karinding geus djadi koelit geus djadi daging, toekang bĕkok dalapan poeloeh ditendjo boöl geus mohbrol, lengser tĕng ka koelon, tĕng ka wetan;

Dagal-digil, sangkal-singkil,
tjawĕt poeril poepoerikil,
njĕntil sagĕde pĕpĕntil,
samping sina kotok nonggeng,
digalang-giling sampingna,
koneal toewang kagoengan,
sagĕde gadoeng pĕsekeun,
siki kontolna teh sanglir,
sanglirna ge toedjoeh likoer,
leumpangna teu kaoer madjoe,
salengkah ka doewa eureun.
Ditoenda; keur dangdan heula,
badjoe sapoeloeh ditoempoek,
koetang salawe dientep,
lain ngentep djang gadeëun,
pamahoegi nini-nini,
berendel kaníjing leherna,
sagĕgĕde ĕndog sowang,
ngadjĕpat kantjing wadjana,
sagĕde oempak gĕdogan,
sorenna doehoeng paparin,
beunang njarangkaän saoeh,
tĕrĕlĕng apĕng-apĕngan,
toempak koeda lalagaran,
sangawĕdi awi tali,
selana doelang sabeulah,
bawaning roesoeh koedana,
ditoengtoen teu daëk madjoe,
dilaänan kadalina,
digĕboeg koeda teh kaboer,

[ 149 ]

koeda ngetan lengser ngoelon,
leumpang ngadjingdjing kadali,
boewah birit mani hapa,
balas kabintihan keuneung,
maboekan ka tjetjekolan,
tĕng ka koelon tĕng ka wetan,
njĕri beuheung sosonggeteun,
ngalijeukan noe njamboengan,
soesah mere panajagan,
tataloe teu noetoe noetoe,
kawinan teu meuntjit-meuntjit,
tjara rawataneun keneh,
sapina peuntjiteun keneh,
bantengna raweëun keneh,
sapina peuntjiteun keneh,
wantoening pesta dadakan.”

Si-lengser rampa rangkoel, ana newak meuntjit moending, moending hidji noe meuntjit dalapan, djampena ge adoe bisoel minal tjenang karĕntil minal korewal, lailah-hai lĕngkoeng koneng ditoengtoengan matja poedji dikirna ge sabilloellah, moending teh dagingna bejak kana kĕrĕdan baë, ngan tinggal karorongkong toelang taleng, djeung djĕroän doeoemkeuneun. Lengser hĕnteu mĕrtjajakeun, doedoeoem sorangan baë, teu boeroeng ka bagian, bakating bijasa anoe babagi.

Karongkong djang toekang goöng,
toelang djang boedjangga leumpang,
igana ka panajagan,
babatna djang toekang kĕndang,
sina tjampoer reudjeung dalang,
oeratna bagian wajang,
lamad djang toekang rĕbab,
dadana baginan lengser,
djadjantoeng djang toekang pantoen,
taina bagian koeli,
bajah galĕng djang di dalĕm,
daging kapoer djang di dapoer,

[ 150 ]

djadjando djang noe laladjo,
daging hampas djang toekang bas,
kerewedan noe bogana,
noe bogana rawan-rawan,
babat kodja toekang pĕntja,
katambahan reudjeung randa,
djeung tjekerna adjang lĕbe,
tambah kere djang tjawene,
daging tjangkeng noe kabagi,
bagian djang pandjak ronggeng,
dĕmi peudjit koerilingna,
bagian toekang karinding,
eusi peudjit toekang soeling,
tamboesoena keur manglakoe,
koelit keur tjaroge kĕtib,
hoeloe hatoeran pangoeloe,
ati pangasik djang modin,
otopna adjang mĕrĕbot,
polona djang toekang ngilo,
tjokorna adjang asisor,
kikisi djang parajaji,
akas-akas djang mas oepas,
lamoesir hatoeran sipir,
bajahna adjangan loerah,
rimpina adjangan moerid,
tjampoer ka djoeragan goeroe,
atina keur hadji-hadji,
kĕkĕmpis djang djoeroetoelis,
tambah mitjis djeung noe geulis,
boöl bagianna mandor,
ditambah djeung angeun kelor,
dĕmi koeloewoeng boedjoerna,
bagian djang toekang ringkoeng.”

Geus kitoe Den Laja indit, ladjĕng rendengan.

Mĕtoe lawang mandjing lawang,

[ 151 ]

mĕtoe di lawang pingpitoe,
mĕdal di lawang pingsanga,
mĕtoe lawang mandjing lawang,
tjos montjor dibongboroan,
lawang gĕde lawang hade,
ka lawang saketeng ageung.

Geus nĕpi di lawang kori, lĕbĕt ka latar padalĕman, handjat kana papanggoengan Kantjana ĕmas.

Toeloej baë hoewap lingkoeng Den Laja djeung Dewi Asri. Katendjo koe Soentĕn Djaja, tjeuk Soentĕn Djaja: „heuheuh koetan Nji Dewi Asri teh mapagkeun, molor teh koetan djeung saha, sihoreng eudjeung goegoeling.” Soentĕn Djaja njaboet kĕris dipake nĕwĕkan goegoeling, dĕg rekot di djĕro kadaton, Soentĕn Djaja tjĕkoek bari sisidoeëun baranang koenang-koenangna, ngeng katorekan, wer kiih andjingeun, gĕbrĕg moerijang teu kawajaän, amarah teu kawadahan reup geuneuk maleukmeuk djiga beusi atah beuleum, mani angkeub nagara, koe baeudna Soentĕn Djaja, roebak biwir batan simboet, toeloej kana papanggoengan, koetan keur hoewap lingkoeng. „ih batjot sija, andjing koe aing ditampiling, ajeuna ge sija modar.” Tjeuk Soentĕn Djaja. Ari Moending Laja hĕnteu ngadjawab, diboeroe baë koe pangawĕroeh, diala beunang tapana ngaloempoeroek Soentĕn Djaja dek nampiling teja meber, dek nalipak teja djengke, kaboeroe koe pangawĕroeh. Soentĕn Djaja bĕngong nendjo ka noe keur hoewap lingkoeng.

Ari Kidang Panandjoeng djeung Gĕlap Njawang mah, pek baë ngahoewapan Soentĕn Djaja, ngarah piangĕneunana, geuwat sila miloe reudjeung hoewap lingkoeng, gawena sibanjo baë, beak tjai toedjoeh gĕntong, dihoewapan mah tatjan baë.

Kotjapkeun Njai Dewi Asri:

„gĕbroeg bari mere sĕmoe,
gĕbris bari mere boedi,
godebak mere pitoewah,
lelewa teu panoedjoeeun,
Soentĕn njangnjang, Soentĕn njengnjeng,
Soentĕn singsiritan andjing,

[ 152 ]

Soentĕn soentan, Soentĕn santeng,
Soentĕn singsiritan banteng,
Nji Dewi nadjis teu beuki,
Dewi haram hanteu hajang,
teu hajang ka Soentĕn Djaja.”

„Beuteungna bareuh, beuteung Soentĕn njangnjang, Soentĕn njengnjeng, Soentĕn singsiritan setan.”

Tjeuk oewana: „hoewapan baë ngarah pimanaheunana.”

Koe Dewi toeloej baë dihoewapan, Den Laja koe katoehoe am laoek, Soentĕn Djaja koe kentja am tjabena digantaran, ditambah pĕntjok bintaro, karedok toedjoeh gotongan. Soentĕn Djaja adoeg songkol, oetah gĕtih boelaëran, koe sabab toewang bintaro:

„Kotjap noe rendengan gĕde,
rendengan rame katjida,
ditjĕtrekan didjogedan,
diemprakan disoerakan,
make baksa Padjadjaran,
Soentĕn gĕmbroe, Soentĕn wajang,
Arija Panjoengging wajang,
Pĕrboe Soenggĕlĕng intĕn,
Raden kĕling nami wajang,
warna-warna tatabeuhan,
wantoe mirig noe rendengan,
mani aloem dangdaoenan,
mani leumpeuh kĕkĕmbangan,
powek mongkleng boeta radjin,
kareueukan haseup bĕdil,
soerakna ngaindoeng lĕmboer,
soerakna ngabapa desa,
soerakna ajeuh-ajeuhan.”

Geus kitoe, toenda tjarita.

Kotjap Djaksa Padjadjaran, Dĕmang Patih Rangga Gading, kĕrsa nongton noe rendengan oewa Moeroegoel Mantri Agoeng djeung oewa Poerwa Galih. [ 153 ]Teu katjatoer di djalanna, tjatoerkeun datangna baë ka nagara Koeta beres.

Pada tjoendoek sĕpoeh tiloe,
iteukna pada wĕrĕgoe,
bakal moetoes anoe padoe,
anoe bisa noelak sĕmoe,
ejar pada maroendjoengan,
tjeuk sadaja para-poetra,
ijeu oewa itoe oewa,
djadi oewa sarereja,
oewa sanagara eta,
moen djagong kapalang kolot,
moen katjang kapalang asak,
oewa Gading oewa Gading,
oewa Gading sarereja,
hĕnteu lila ditjalikeun,
oewa Gading ka pamĕngkang.

Ari tjeuk Gambir wangi: „soekoer pisan koe soenan oewa dilajad eukeur rendengan, geus tangtoe alamat roesoeh Den Laja djeung Soentĕn Djaja karana alamat padoe.”

Ari tjeuk Rangga Gading: koetan rendengan teh djeung saha?

Ari tjeuk Gambir wangi: „teu djadi ka Soentĕn Djaja, djadina ka Moending Laja karana Moending Laja teh datang deui, ajeuna ge keur hoewap lingkoeng.” Teu lila djol Soentĕn Djaja datang ka pamĕngkang, djol menta banda teja baë, noe salawe kapal teja. Ari tjeuk Rangga Gading: „maneh Soentĕn oelah waka menta banda, eta mah koemaha djinis, oerang saoer heula baë Den Laja djeung Dewi Asri.” Teu lila saroemping ka pamĕngkang kĕmpĕlan sadajana.

Ari tjeuk Rangga Gading ka Dewi Asri: „eh Njai, heula mаnа Soentĕn Djaja djeung Moending Laja ngalamarna ka Njai?”

Dewi Asri tatjan djawab, geus gĕr sadaja pada ngadjawab, balad oerang Koeta barang, malah oerang Padjadjaran oge teu biloe ka Moending Laja, ngiloena ka Soentĕn Djaja, [ 154 ]wantoe ĕnggeus diboeroehan kabeh oerang Padjadjaran; ari Soentĕn Djaja teja loehoer koeta gĕde doenja, beungharna kabina-bina, wantoening anak nangkoda.

Katjarita aja sahidji ponggawa ngaranna Gadjah Siloeman, oerang nagara Karang Siloeman. Disoewaj baë ponggawa sapirang-pirang, djaksa, papatih diliwat, tjalikna ka pajoen pisan.

Tjenk Rangga Gading: „dek naon maneh dijoek ka hareup teuing?” Ari tjeuk Gadjah Siloeman: „noehoen oewa goeroe sĕmbaheun, pĕrkara ajeuna lamoen dek mariksa koedoe ijeu ka lengser Padjadjaran. Lengser, maneh disaoer.” Ari tjeuk lengser: „mĕngke hajang ngising heula.” Ari tjeuk patih: „naha sija lengser lalawora disaoer teh, naha pĕrĕloe mаnа modol reudjeung nĕmonan.” „Soemoehoen dawoeh, raos abdi pĕrĕloe ngising djaoeh tangeh djeung kababajan mah pajoeneun ngeran.”

Gantjangna lengser loempat kana handapeun tjaringin tatapi teu ngising teu naon keur mikiran pidjawabeun baë, mowal gagal nanjakeun djalanan ngalamar, lengser bingoeng pidjawabeun, ari disĕboet heula Soentĕn Djaja teu njaho basa ngalamar, ari disĕboet heula Moending Laja poëkeun, sakitoe deui mĕnding tĕmonan baë, da ngan kasorangan agan pĕrtjajana, hanas pidjawabeun mangsa bodo ngeran baë. Teu lila lengser datang. Ari tjeuk Rangga Gading: „ijeu aing hajang nanja, maneh njaho Moending Laja djeung Soentĕn Djaja heula mana ngalamar ka Dewi Asri? Ari tjeuk sadaja mah heula Dewi Asri ditanjaän koe Soentĕn Djaja.” Ari tjeuk lengser: „kapanggihna koe abdi mah heula Moending Laja. Tĕtkala waktoe keur njiram miwarang njijar hondje, mahanan doewit dalapan kĕton, nja meunang ti dijeu pisan, ti nagara Moewara beres, hondje teh dalapan paseuk, sapaseuk sakĕton. Gantjangna abdi balik datang ka djalan kapahoeng teu nimoe djalan, djol ka nagara Karang Siloeman, ka ijeu Gadjah Siloeman, menta eureun abdi di dinja, ari keur eureun datang lengser Moewara beres, pokna menta hondje opat pasi, moelangkeun doewit opat kĕton, doemeh Gambir wangi njiram, ari tjeuk [ 155 ]abdi: mowal geus djadi djoewal meuli, djeung dibikeun hondje mah, toh pati djiwa raga.” Ari tjeuk Gadjah Siloeman: „mowal hade lengser beulah doewa baë.” Ari tjeuk abdi: „hade koedoe dibahanan sĕrat sanggakeuneun ka ratoe, ari tjeuk saeusining soerat geus gĕde oerang tikahkeun. Gantjangna balik baë abdi ka ratoe di Padjadjaran, njanggakeun hondje djeung soeratna, ari keur toewang hondje Padma Wati, datang Nji Gambir wangi, pokna ganti kapalaj, palaj toewang terong peuheur, kahajang sabeulah sewang djeung noe geulis Padma Wati.”

Gantjangna koe ratoe dipangnjiptakeun terong peuheur, dibeulah koe Gĕlap Panjawang koe doehoeng Kidang Panandjoeng, terong teh seëp sabeulah sewang, mana djiga beubeulahan terong, geura mangga oeninga Den Laja djeung Dewi Asri, malah-malah dek djiga nое sakĕmbaran.

„Samalahana koe ratoe,
disembarakeun enggalna,
soepaja pada oeninga,
saeusina Padjadjaran,
noe njiram sapanjiraman,
dikawinkeun memeh djadi,
ditikahkeun memeh mĕdal,
tĕpoengkeun memeh ngadjoeroe,
malah ditoekeur tameuhkeun,
karembong noe Padma Wati,
dianggo koe Gambir wangi,
karembong noe Gambir wangi,
dianggo koe Padma Wati,
sakitoe kanjaho abdi.”

Ari tjeuk Rangga Gading: „atoeh ari kitoe mah, dihin pinasti, anjar pinanggih, pinastina Raden Laja, pinanggihna Soentĕn Djaja. Moen kijeu mah bĕnĕr mowal meunang Dewi Asri, disaeuran oge koe banda, salakina bawa ngadjadi, doerijatna bawa ti koedrat, lir kĕris mandjing sarangka, sarangka mandjing kĕris, oepama kĕris Den Laja Dewi Asri sarangkana.” [ 156 ]Tjeuk Rangga Gading ka lengser: „lengser aing teh heran katjida, nja bĕnĕr omongan maneh, estoening toetoeroet moending hĕnteu njaho miloe-miloe, sapĕrti oerang Moewara beres kapan barajana ka oerang Padjadjaran, ka Moending Laja, naha miloe ka Soentĕn Djaja, aing teu kaharti katjida.”

Ari tjeuk lengser: „sadaja-daja gamparan leuwih njaho, abdi langkoeng oeninga, ari oerang Moewara beres teh hareroj kana patjokeun, haripeut kana teureujeun, kitoena mah meureun diboeroehan, ari ditejang kana kotorna mah euweuh anoe bĕrĕsih atina, lir oepama angeun saparijoek karagragan tai beurit doewa tanggoengan kotor kabeh.”

Ari tjeuk Rangga Gading: „ari kitoe mah Soentĕn Djaja maneh koedoe tarima eleh baë, sabab Dewi Asri teh lain milik maneh, milikna ka Moending Laja.”

Ari tjeuk Soentén Djaja: „koering teh tarima pisan pĕrkawis Dewi Asri njelehkeun baë, ari geus teu milik mah ka djisim koering, ngan banda salawe kapal teja, nagara reudjeung eusina, ajeuna bakal dipenta.” Ari tjeuk Rangga Gading: „wah Dewi Asri! ejang hajang nanja, geus sabaraha peuting Njai tjitjing, moen powe sabaraha powe, moen boelan sabraha boelan?” Ari tjeuk Dewi Asri: „noen kĕrsa ejang, teu kaitoeng peutingna, powena, boelanna, karana Soentĕn Djaja teh tjitjingna di dieu geus heubeul pisan, malah djeung koering ĕnggeus kawinan, ngan koering nadjis teu beuki, haram teu hajang, djeung koering teh malah koengsi ka kadaton, koengsi njiwit ka koering sakali, ngadjĕmbel barina nowel, koengsi nintjak sakali, seubeuh koering ngadjĕdjĕntoel dipĕgatan Soentĕn Djaja, seubeuh koering ngadjadjantĕng dihalangan Soentĕn Djaja.” Ari tjeuk Rangga Gading: „eh lengser! ajeuna mah geura prak baë heulakeun oewangna heula:

„Kana ongkos patjitjiwit,
djoemlahna dalapan datjin,
kana ongkos padjĕdjĕntoel,
rejana dalapan karoeng,
patitintjak dalapan laksa,

[ 157 ]

padjadjantĕng dlapan krĕnĕng,
patotowel dlapan leger,
padjĕdjĕlan dlapan lawe,
oewang djalan dlapan kojan,
ongkos pameuli teu soeka,
Moending Laja dlapan kapal,
ongkos pameuli teu soeka,
ngahoewapan digantaran,
Dewi Asri dlapan kapal,
reudjeung sadjaba ti dinja,
paloloher pagogoler,
patjoetjoewa patjeutjeubrik,
sinarĕngan pananadjis,
pakikitjeup padeudeuleu,
sarta reudjeung paiïmoet,
koedoe aja panjewana.”

„Aja keneh agan ijeu sesana oewang toedjoeh karoeng deui.” Ari tjeuk Rangga Gading: „eta mah euj kana oesoer, oesoer oge diwariskeun ka Moending Lаја, mana padoe sok make oesoer, mana aja oewang waris.” Ari tjeuk lengser: „abdi ngeran njoehoenkeun warisan, tina oesoer moedoe sapoeloeh baroe, tina patjitjiwit sapoeloeh doewit, padjĕdjĕmbel sapoeloeh sen, sĕrta djeung kĕrĕdan.”

Ari geus kitoe nĕda salawat, kapal teh nagara reudjeung eusina milik ka doewaän baë, ka Moeding Laja djeung ka Dewi Asri, sĕrta toeloej ka padalĕman, oleng panganten di djĕro kadaton, sĕrta oerang Koeta barang boedal eleh padoe, sosokan reja katjida anoe ngomong oerang Padjadjaran, ari pokna:

„Euweuh anoe toeroen tjadoe,
atawa noe ragrag sapa,
dipoetoes koe Rangga Gading,
sĕbab matak ngokorokeun,
atok-atok kari batok,
bandana Goeroe Gantangan,
ngadjoeroeng poetra koekoetan,
ninggang kana babasaän,

[ 158 ]

kabeh oerang Koeta barang,
awak roeksak banda bejak,
awak lĕboer banda lapoer,
moelang toehoer djadi tjatoer,
mĕnding moen lain djeung batoer.

Ari Rangga Gading asoep kana kasaoeran ka Raden Laja mah pĕrĕnah intjoe, ka Dewi Asri nja kitoe deui, tambah didjijeun djaksa poetoes padoe, ari ka Soentĕn Djaja deungeun baë, ngan pedah dikoekoet koe Goeroe Gantangan.

Geus kitoe Soentĕn Djaja teh ambĕkna gĕde katjida, indit ti pangtjalikan, loegaj ti pangtapaän, lar djegang di aloen-aloen, nangtang pĕrang sadoeloer-doeloer, Dĕmang Rangga Soentĕn, Arija Disoentĕn.

Tetendjrag gĕgĕdjlig,
soesoendoel bari kakamboel,
kokower bari totoker,
kotjeak kotjetjet dĕngek,
eleh ngĕbeh kalah ngĕbah.

Ari tjeuk Soentĕn Djaja: tjing batjot sija, andjing noe gadoer nagara, geura dengekeun koe tjeuli, geura bintang koe mata, rĕgĕpkeun koe angĕn, soegan aja maoeng digoenggoeng, soegan aja badak ditjangtjang, banteng dirante oetoes wĕrĕgkeun ka aloen-aloen, silih itjis kabĕtjikan, silih tjoba beunang tapa, silih aboer pangawĕroeh, soegan hajang patiïr koemis, patjorok djanggot, padoepak dada ajeuna mangsana. Ngeng kadenge ras karasa, Soentĕn kapiangĕn-angĕn, kadenge koe patih nagara, dek toeroen Gĕgĕr Malela, dipĕgat koe Moending Sangkala soeroepan goerijang toedjoeh teja.

Pamoek di djabaning langit,
ari Moending Sangkala teh,
tara pisan barang toewang,
toewang sangoe koekoepoekan,
dahar tjai sasampian,
toewang sawindoe sakali,
ebog satahoen sakali,
radjeun oge barang toewang,

[ 159 ]

isoekna boeboer balijoeng,
ti beurang tangkal handjoeang,
dibarĕngan roedjak pĕdang,
pasosore tjobek kored.

Geus kitoe, Moending Sangkala toeloej indit disakalikeun, loentjat disapisankeun, lar gĕdjlig ka aloen-aloen, noeroenan pĕrang Soentĕn Djaja teja, wong agoeng tiloe ngarontok, koe Moending Sangkala ditewak ditjakar, digaroekambangkeun. Soentĕn Djaja nampiling make ali beusi poerasani bobot beurat lima bĕlas kati, beunangna njoetjoek dadapkeun, Moending Sangkala seuseuran. Tjeuk Soentĕn Djaja: „sakali deui tjabok teh?” Tjeuk Moending Sangkala: „menta noe gahar.” Koe Soentĕn Djaja dipindo deui.

Ali beusi mani ngĕboel,
ngĕproel tanding harimoemoe,
dampal leungeunna merengkel,
Soentĕn Djaja njokot bĕdog,
ngaranna bĕdog-malela.
bobot tigang poeloeh kati,
Si-dengdek-powe ngaranna,
dĕmi kagĕdeanana,
sabeulah aloen-aloeneun,
lamoen dipoendak ti wetan,
nagara angkeub ka koelon,
Moending Sangkala dikadek,
ditampolan mastakana,
kalah melot hoentoe bĕdog,

Ari tjeuk Soentĕn Djaja: euleuh-euleuh, tjeuk saoerang alah-alah, bĕdog teh euntjeup wadja tjangkoerileung, ngora sipoeh wadjana oge, tidĕdĕt geuning hoentoena, tambah dikadekeun deui rompang lima bĕlas toembak, bĕdog teh toeloej dipitjeun, ninggang kаnа boerang malela, katinggang roeroentoek bĕdog kabeh boerang ting boerinjaj.

Geus kitoe, tjeuk Soentĕn Djaja: „kop saha bĕdog noe boetoeh, soegan loemajan keur bilik.” Soentĕn Djaja njaboet kĕris, doehoeng teh si toendoeng moesoeh, eusina djoerig [ 160 ]sakĕti, salaksa doeroewiksana, pamor togog ditjongona, sagĕde andjing ngadjogo. Ladjĕng kĕris ditĕwĕkeun ka Moending Sangkala, ditandean koe beuteungna, koelit beuteung ditĕwĕk teh kalah ngonjonjod, dingaranan bakal opak, konjonjod bagĕnjel. Tjeuk Soentĕn Djaja "tjadoek sija sato, soegan mah toedjoeh kakab."

Tjeuk Moending Sangkala: "soegan ijeu kana kongkolak panon." Kĕbat kĕris ditĕwĕkeun kana panon Moending Sangkala, kalah moelan panon simeuteun teu ngitjeup-ngitjeup atjan. Geus kitoe kĕris teh ditijoep ngoetjoer djadi banjoe, Moending Sangkala ngarontok dirangkĕpkeun tiloewanana. Soentĕn teh sadoeloer-doeloer toeloej baë gĕgĕroengan, bari taloek koemawoela, bari njanggakeun nagara sĕrta reudjeung eusina.

Den Laja teh soeka katjida.

Reja barang teu ngamodal,
loba sapi teu ngabiri,
moending teu njaho meulina,
sĕrta doeloerna dikawin,
ngaran Dewi Anta Kantjana,
djadi maroe Dewi Asri.

Djeung Den Laja diangkat Pĕrĕboe Anom.

Oeroet doeka toengtoeng soeka,
oeroet tjeurik toengtoeng seuri,
soeka ati garaita,
bari ngadĕgkeun tataloe,
ngagoeroeh tanpa roeroehan,
ngagĕdĕr tanpa wilangan,
wantoe-wantoe poetra ratoe.

Serta anjar panganten eukeur taja kasoesah saeutik, eukeur mandjoer gagah pamoek, hedjo lalakon rambaj tjarita, geulis adina bĕdas lantjeukna, moenggoeh dina tatangkalan mah hedjo daoen leubeut boewah, ngaraksoek di daoen ngora, andjing beureum saba leuweung, andjing bĕlang saba reuma, goeroedjag. Toenda sakeudeung.

—————

  1. Pinoerwaän is een denom pass van poerwa, dat echter buiten de taal van het heden ligt. Thans zegt men anoe di poerwa. Waar poerwa op den ... en nooit op de plaats slaat is kang pinoerwaän hier gebezigd ter aanduiding van een der in den tweeden regel genoemde doch niet nader aangednide vijf en zeventig .....
  2. Tameuh,thans ver... en nagenoeg buiten gebruik. betekent navelbandje.....
  3. Stereotiepe poerwakanti om iemands grooten rijkdom aan te duiden. Woordelijk vertaald: rijk en in goeden doen, zwaar rijk, (als) hooge muren, (ter) groote (ders wereld, vrouwen trapsgewijs (in alle tappen van leeftijd bezittend).
  4. De Soendanees kent meerdere soorten van asihan, minneklachten. De naam van deze beteekent, toornverijdelaar. Een voorbeeld van zulk een minneklacht is de onderyotgende zang.

    Asmarandana

    1.

    Sih, asih moenggoeh di biwir.
    Sih lenjap moenggoeh di moeka.
    Hate kasih sing kasered.
    Rasa sija sing kabawa.
    Oelah pisah djadi doewa.
    Ngan woengkoel bae kairoet.
    Koe awak aing sorangan.

    2

    Seuweu santri mangka asih.

    Poetra menak mangka hajang.
    Anoe denok mangka sono.
    Sangkilang poetra dewata.
    Kagoda karantjanana.
    Teka toeroet teka roentoet.
    Anoe qeulis ka kaoela.