Wawatjan Pandji Woeloeng

Ti Wikipabukon
[ Jilid ]


W A W A T J A N

PANDJI WOELOENG


KARANGANANA


RADEN HADJI MOEHAMAD MOESA

Hoofd-panghoeloe

LIMBANGAN.




DIPIWARANG DITJITAK DI KANTOR TJITAK
KANGDJĔNG GOEPĔRNEMEN
BATAVIA
1876.

[ i ]


WAWATJAN

PANDJI WOELOENG


KARANGANANA


RADEN HADJI MOEHAMAD MOESA

Hoofd-panghoeloe

LIMBANGAN



DIPIWARANG DICITAK DI KANTOR CITAK
KANGDJENG GOEPERNEMEN
BATAVIA
1876

[ ii ]


PANDJI WOELOENG


DOOR


RADEN HADJI MOEHAMAD MOESA

Hoofd-panghoeloe

VAN

LIMBANGAN



BATAVIA
LANDSDRUKKERIJ
1876

[ 1 ]

PANDJI WOELOENG.

DANGDANGGOELA.

  1. Dangdanggoela noe awit digoerit, noe dianggit tjarita baheula, noeroen tina kitab kahot, ditoeroen kana lagoe, noe dipambrih reja noe soedi, malar reja noe soeka, ari noe ditjatoer, aja sahidji nagara, Sokadana nagara gĕde teh teuing, moerah keur kahiroepan.
  2. Reja sato koeda sapi moending, soegih doenja teu aja kakoerang, reja kĕtan reja kĕton, ari noe djadi ratoe, kakasihna Dewakeswari, mangsa djaman harita, kongas ratoe poendjoel, sabar adil palamarta, papatihna ngaran Lĕmboe Djajeng Pati, рĕrnah misanan radja.
  3. Нidji asal ratoe sarĕng patih, sarta ratoe kalangkoeng asihna, ki patih nja kitoe keneh, asih pisan ka ratoe, bеurang peuting teu aja deui, anoe didjaga-djaga, ngan salamĕt ratoe, sarta salamĕt nagara, katjatoerkeun sang ratoe kagoengan sĕlir, asal ti Ваlangbangan.
  4. Langkoeng-langkoeng koe radja diasih, tina bisa pisan ngawoelana, sarta djeung roepana hade, manis pantĕs djeung loenggoeh, tеu koemaki doemeh diasih, katjatoer lila-lila, bobot ti sang ratoe, geus djangkĕр salapam boelan, katjarita prameswari langkoeng idjid, ka eta sĕlir teja.
  5. Аnoe ngaran njimas Тоendjoengsari, doemeh reuneuh patoetan ti radja, ari manah pawarang teh, ratoe geus tangtoe woewoeh, kanjaähna ka Тоendjoengsari, djadi saäkal-akal, njijar ambrih giroek, pitjeutjeuban piwoeroengan, doekoen-doekoen dikĕloen tapi teu matih, pirang-pirang tarekah.
[ 2 ]
  1. Djampe-djampe pitoetoer paradji, noe dipalar koe pawarang radja, soepaja bobot teu sijos, tapi keukeuh mĕlĕndoeng, sarta radja tambah kaäsih, pawarang tambah soesah, ngamanahan maroe, geus wĕleh kijas tarekah, djampe-djampe teu pisan aja noe matih, hanas karoeroegijan.
  2. Oenggal doekoen djeung oenggal paradji, pada boga sanggoep ka pawarang, djampe piwoeroengan bobot, sarta boga panoehoen, beda-beda oenggal paradji, sarat pamatih toembal, sakabeh ditoeroet, bejak pirang-pirang arta, tapi kabeh tarekah doekoen teu matih, toeloej bidjil akalna.
  3. Аkal dĕngki ngistorikeun sĕlir, hidji mangsa pawarang hatoeгan, sasaoeran di djĕro pangkeng, noen ratoe amit matoer, doemeh eta poen Тоепdjoengsari, aja lampahna salah, tjidra ka sangratoe, gadoeh lampah bobogohan, hidji mangsa kapanggih di ĕnggon soeni, eukeur padoedoewaän.
  4. Reudjeung mantri ngaran poen Panolih, malah reja nое manggihan inja, keur ngĕdĕng di djĕro kobong, malah ĕnggeus sataoen, bobogohan djeung poen Panolih, noe matak teu hatoeran, koering ti kapoengkoer, bawaning koe kanjaähan, tapi rĕmĕn diingĕtan tĕmah wadi, taja pisan tapakna.
  5. Аnoe matak ajeuna koe koering, dipioendjoek geus wĕleh magahan, lampahna kadalon-dalon, koering langkoeng kadoehoeng, koe lampahna poen Toendjoengsari, hĕg boga kakandoengan, lamoen hanteu kitoe, koering langkoeng ngiring soeka, реuреuriheun koering hanteu aja toelis, anakan ti gamparan.
  6. Ĕnja oge teu kagoengan deui, poetra anoe bakal djadi radja, pigĕntoseun mangkoe kraton, wĕlas koe sĕpoeh-sĕроеh noe mabakan tjatjakar boemi, nagara Sokadana, ti djaman kapoengkoer, toeroen-toeroen djadi radja, boejoet tjanggah gamparan noe mangkoe boemi, dongkap ka andjeun pisan.
  7. Теu kasĕlang koe noe lain deui, toeroen-toeroen ka poetra noе ĕnja, ngan ajeuna bakal sedjen, kaselang koe noe palsoe, kawĕntarkeun jen poetra goesti, tapi ari jaktosna, tetes noe teu
[ 3 ]

    poegoeh, moen datang ka djadi radia, geus kaljipta Sokadana roentang-ranting, tangtoe panas watĕkna.

  1. Saoepami ten pertjantin goesti, pariksakeun ka abdi noe reja, batoerna parĕkan kabeh, sarĕng naros ka doekoen, aja hidii paradjisakti, doekoen Goena Wisesa, dipoendjoelkeun lĕpoes, wĕroeh sadoeroeng winarah, tĕgĕsna teh njaho dinoe tatjan djadi, waspada tĕroes tingal.
  2. Geus kadangoe koe Dewakeswari, sapihatoer prameswari teja, sang radja ngahoelĕng bae, manahna langkoeng bingoeng, ngamanahan nji Тоendjoengsari, ari hanteu pĕrtjaja, palang sijang tĕroes, sapihatoer nji pawarang, toeloej radja ngoempoelkeun parĕkan sĕlir, dipariksa sadaja.
  3. Lalampahan njimas Тоendjoengsari, para sĕlir sailon sadaja, pada njoemoehoenkeun kabeh, sang ratoe masih bingoeng, tatjan ngandĕl pihatoer sĕlir, ti dinja toeloej radja, njaoer doekoen lĕpoes, paradji Goena Wisesa, toeloej adjar ngadeuheus ka kangdjĕng goesti, tjalik dina amparan.
  4. Ratoe langkoeng hormat ka kijai, tjalik mando sĕmoe adjrih pisan, ladjĕng sang ratoe teh naros, he ejang kijai doekoen, koela naros lampahna sĕlir, soemangga nĕda torah, noeawon noe loeloes, noe tĕmĕn koemawoelana, djeung noe tjidra sarta ngadoewakeun pikir, moegi waktjakeun pisan.
  5. Аdjar njaoer soemangga poenaki, nejang lampah parĕkan sadaja, oerang pĕlĕng heula bae, tapi aja panoehoen, moenggoeh sarat pamĕlĕng ati, sahidji koedoe aja, ati mejong toetoel, kadoewana mĕnjan bodas, katiloena koedoe aja hajam rintit, bodas sisitna sĕlap.
  6. Lamoen ĕnggeus sadija raratjik, meureun tembong noe bageur noe salah, noe tĕmĕn atawa mirong, ti dinja ladjĕng ratoe, miwarangan sahidji mantri, ngoempoelkeun sarat teja, ati mejong toetoel, wantoening parentah radja, hanteu lila kabeh sarat ĕngeus boekti, di sanggakeun ka adjar.
  7. Тоеloej adjar njandak mĕnjan poetih, geus dibeuleum
[ 4 ]

    dina paroekoejan, njandak deui ati mejong, digalokeun ditjampoer, reudjeung ati hajam noe rintit, saĕnggeusna sadija, geus ditjampoer-tjampoer, ati mejong ati hajam, boes dibeuleum adjar di koekoedoeng poetih, watara sadjongdjongan.

  1. Тоеloej njaoer popojan ka goesti, he sang radja ĕnggeus katingalan, ati para sĕlir kabeh, wĕlas teuing ka ratoe, aja hidii noe goreng ati, mirong koemawoelana, lampahna teu patoet, toer eta kaäsih radja, sĕlir anoe ngaran Njimas Тоendjoengsari, lampahna bobogohan.
  2. Sarĕng mantri ngaran poen Panolih, malah eta kakandoenganana, nja beunang djeung eta bae, ratoe langkoeng ngagoegoe, tadi tjatoer pawarang sĕlir, пjĕboetkeun Тоепdjoeng tjidra, ajeuna geus tĕroes, kitoe deui torah adjar, hanteu mangmang bĕndoena ka Тоendioengsari, ladjĕng radja nimbalan.
  3. Njaoer patih hanteu lila soemping, ka karaton bari sĕmoe reuwas, reh disaoer tereh-tereh, ladjĕng sang ratoe njaoer, he ki patih sing gasik-gasik, ijeu si Тоendjoeng sĕkar, noe tjidra ka ratoe, ajeuna geuwat paehan, oelah nitah koedoe koe maneh pribadi, mangke bawa tjeulina.
  4. Раtih naros noen hampoera goesti, abdi dalĕm boeta toeli pisan, koe naon pĕrkawisna teh, noe matak goesti bĕndoe, rehna eta poen Тоendjoengsari, kalangkoeng diasihna, ti noe reja poendjoel, Dewakeswari ngandika, ĕnja pisan koe kami dipikaäsih, leuwih ti anoe reja.
  5. Аnoe matak kami liwat idjid, ka si Тоendjoeng sabab salah tampa, dipisono njolowedor, ki patih njĕmbah matoer, abdi dalĕm noe kirang harti, sĕdja njoendoel oendjoekan, soemoehoen bĕbĕndoe, manawi gamparan lĕpat, kirang priksa bĕndoe kagantjangan teuing, tatjan kamanah ĕnja.
  6. Апое matak koering langkoeng watir, doemeh eukeur gadoeh kakandoengan, ti baheula koering ngantos, nĕnĕda ka noe agoeng, moegi-moegi poetraän goesti, sarta pamĕgĕt
[ 5 ]

    pisan, baris djadi ratoe, di nagara Sokadana, rasa koering laksana panĕda koering, bobot poen Тоепdjoengsĕkar.

  1. Radja njaoer langkoeng-langkoeng bĕngis, "he ki patih montong reja oetjap, geura los paehan bae, kami mowal kadoehoeng, reh geus bejak kami nja mikir, hanteu koerang pariksa, kabeh ĕngeus tĕroes, asal bedja ti pawarang, katĕroesan koe kabeh parĕkan sĕlir, malah tĕroes djeung adjar.
  2. Saoepama pawarang djeung sĕlir, djidjijeunan mowal katĕroesan, koe panorah adjar kahot, eta adjar geus poendjoel, patarosan timana-mĕndi, kami geus hanteu mangmang, ka dosa si Тоendjoeng," ki patih geus hanteu teurak pamondahna, koe radja hanteu ditampi, malah woewoeh bĕndoena.
  3. Тоеloej patih mawa Тоendjoengsari, sarta reudjeung ki Рanolih teja, doewaänana dikantet, nji Toendjoeng tjĕloek-tjĕloek, sambat-sambat ka kangdjĕng goesti, "koering teu gadoeh dosa, goesti naha kitoe, ratoe koerang titi priksa, poegoeh maroe saäkal-akal noe dĕngki, kasmaran teuing radja."
  4. ASMARANDANA.

  5. Sambatna nji Тоendjoengsari, koe radja hanteu dimanah, ĕngeus dimeureunkeun bae, tangtoe nampik kana dosa, loewang loembrah manoesa, dimana noe maling ngakoe, ёngeus koedoe nampik dosa.
  6. Nja kitoe deui Panolih, sasambatna hanteu pedah, tjatoerkeun geus nĕpi bae, ka pakoewon kapatihan, ki patih langkoeng soesah, tina watirna kalangkoeng, ka eta nji ToendJoeng teJa.
  7. Кое ki patih geus kadjoedi, jen di djĕroem koe maroena, sanadjan adjar ge bohong, koe kipatih geus katingal, ĕnggeus meunang dongdonan, noe matak adjar sakitoe, dioepah koe prameswara.
  8. Di roeroebaän mas pitjis, disaeuran doenja-brana, sarta
[ 6 ]

    dibedjaän bae, jen eta nji Тоendjoengsĕkar, keur boga kakandoengan, ki adjar ĕnggeus diwoeroek, pioendjoekапеun ka radja.

  1. Кое ki patih geus kaintip, jen eta kitoe pĕtana, patih mikir-mikir bae, bakal pipĕtaeunana, soepaja di ahirna, ratoe teh oelah kadoehoeng, ti dinja geus manggih akal.
  2. Тоеndjoengsari djeung Panolih, dibawa ka pilĕmboeran, didakoekeun geus dipotong, ki patih soesah manahna, piboektijeun ka radja, hoelang-hoelĕng djoental-djĕntoel, toengtoengna los ka pandjara.
  3. Doemadakan manggih majit, sakitan keuna sasalad, tjeulina dikeureut bae, disanggakeun ka sang radja, sang praboe soeka manah, tеu aja pisan timboeroe, jen eta tjeuli noe lijan.
  4. Lain tjeuli Тоendjoengsari, ka patih langkoeng pĕrtjaja, pawarang teh liwat atoh, sareh maroena geus hilang, tjatoerkeun patih teja, lampahna soempoet-salindoeng, njoempoetkeun nji Тоendjoeng teja.
  5. Dipĕrnahkeun boeni-boeni, dimoemoele moelja-moelja, diraksa dihade-hade, bеurang peuting dikĕmitan, koe gandek noe pĕrtjaja, ari Panolih didjoeroeng, kaloewar ti Sokadana.
  6. Sarta dibĕkĕlan doewit, pibĕkĕleunana njaba, njingkiran napsoe radja teh, katjatoerkeun geus mangsana, nji Тоendioengsari babar, poetrana pamĕgĕt moeloes, kasep ngala ka ramana.
  7. Таja gesehna saeutik, njĕрles noeroen ka sang radja, ki patih geus meunang tjrijos, jen nji Toendjoengsari babar, toeloej patih ngalajad, djeung nji patih goera-giroe, njandak panganggo djeung harta.
  8. Вarang ĕnggeus katingali, roepa moerangkalih teja, njĕрles hanteu pisan geseh, sarimbag djeung kangdjĕng radja, ki patih langkoeng soeka, toeloej ditimаng dipangkoe, dikalemoh ditjijoeman.
  9. Раda nimang sili-ganti, ki patih reudjeung garwana,
[ 7 ]

    kawas ka poetrana bae, hanteu asa hanteu djiga, toeloej didjĕnĕnganan, raden Pandji Lĕmboe Woeloeng, katjarita lawas-lawas.

  1. Pandjiwoeloeng moerangkalih, beuki ageung beuki djiga, beuki gĕde beuki njĕples, kawas terong beulah doewa, ĕngeus jasa amĕngan, wajah oemoer toedjoeh taoen, moerangkalih teh nalaktak.
  2. Кі patih kalangkoeng asih, sarta hanteu koerang-koerang, ngawoeroek moerangkalih teh, kadjajaan kabĕdasan, sarta kapalijasan, elmoe-elmoe teu kalaroeng, basa-basa djeung aksara,
  3. Тata krama niti soerti, wiwaha joeda nagara, diwoeroekan oenggal powe, tĕgĕsna kapalijasan, koedoe apik nja lampah, kadjajaän koedoe tjoetjoed, oelah rek poedak-poepoedak.
  4. Раndjiwoeloeng ĕngeus ngarti, beuki lila beuki jasa, goegoeroena leuwih gĕtol, mimiti ki patih moelang, elmoe kapalijasan, "he agoes ki Pandjiwoeloeng, rĕgĕрkeun pangwoeroek bapa.
  5. Аgoes oelah wani-wani, njorang pibajaeun awak, koedoe рikir masing hade, saoepama jai tjaäh, oelah rek dipeuntasan, atawa ratoe keur napsoe, oelah rek wani hatoeran.
  6. Sadjaba ti dinja deui, naon-naon kalakoewan, noe katingal bakal awon, пое рibajaeun ka awak, eta koedoe singkahan, eta tĕgĕsna nja kitoe, noe ngaran kapalijasan.
  7. Каdjajaän kitoe deui, koedoe wantĕr pipikiran, oelah reuwasan djeung kaget, sarta oelah sok borangan, watĕkna поe borangan, radjeun loempat tigĕdĕboeg, sijeun koe polah sorangan.
  8. Тарі kadjajaan pasti, sarat koedoe bĕnĕr lampah, karana moenggoeh noe goreng, risi koe polah sorangan, koe kalangkang ge loempat, maroekan djalma noe njoesoel, mana horeng kalangkangna.
  9. Кadjajaän anoe boekti, koedoe bĕnĕr lakoe lampah, tamba
[ 8 ]

    borangan djeung kaget, nja eta taja masalah, поe kasijeun manehna, djeung deui anoe disĕboet, elmoe kabĕdasan teja.

  1. Таja djampe anoe matih, kadjaba ti koedoe toeman, пое koe bapa geus kailo, kapikir reja toeladan, sapĕrti tatanggoeпgan, ponggawa noe agoeng-agoeng, bĕdasna eleh koe tjatjah.
  2. Тina toeman koering-koering, gawena nanggoeng djeung moendak, eta patoet djijeun tjonto, nadjan boga djamре toembal, ari koerang toemanna, tangtoe mowal bĕdas nanggoeng, djampe teh taja gawena.
  3. Ngawalonan raden Pandji, soemoehoen pangwoeroek bapa, tapi koela ewĕd keneh, karana ĕnggeus goernita, loembrah omongan djalma, moen hajang bĕdas djeung wĕdoek, koedoe goegoeroe ka adjar.
  4. Кі patih ngandika deui, ĕnja pisan geus goernita, tapi ngan omongan bae, teu aja pisan boektina, noe matak bapa tjoewa, ngagoegoe adjar djeung doekoen, sabah taja karasana.
  5. Аjeuna mah agoes Pandji, leuwih hade toeroet bapa, lakonan bae koe maneh, ti baheula bapa hajang, boga anak noe bĕdas, poma agoes oenggal isoek, ngadjoengdjoengkeun ijeu timah.
  6. Sili-gantikeun djeung beusi, poendak bawa-bawa leumpang, ti barang bidjil srĕngenge, nĕpi ka mantjĕran pisan, djaga tangtoe karasa, kongas bĕdas poendjoel wĕdoek, ngelehkeun tjatrik ki adjar.
  7. Вageurna rahaden Pandji, sawoeroek-woeroek ramana, ditoeroetkeun bae kabeh, taja pisan noe dipoengpang, manggoel bеusi djeung timah, hanteu loewang oenggal isoek, timahna ditambah-tambah.
  8. Веusina nja kitoe deui, oenggal isoek ditambahan, madjoe oenggal-oenggal powe, beuki lila beuki bĕdas, keur mimiti diadjar, tina oemoer lima tahoen, ngan lima kati timahna.
  9. Веusina sakitoe deui, satimbangan timah teja, kitoe
[ 9 ]

    oenggal-oenggal powe, lampahna rahaden poetra, ari peuting diadjar, tata-titi tindak-tandoek, djalana karahajoewan.

  1. Кіjeu woeroekna ki patih, he ki Pandji anak bapa, ajeuna agoes geus gĕde, meudjeuhna diadjar njaba, ka dajeuh-dajeuh lijan, soepaja reja panimoe, kanjaho noe langka-langka.
  2. Тарі agoes masing eling, ari di pangoembaraän, tata basa oelah songong, sarta koedoe noeroet adat, hidji-hidji nagara, oelah basangkal djeung toekoeh, mawa kahajang sorangan.
  3. Тanwande reja noe idjid, lamoen peuteukeuh basangkal, nadjan teu soeroep djeung hate, poma oelah rek tjawadan, kalakoe-lampah kantja, lamoen soeroep anggoer toeroet, lamoen teu soeroep singkahan.
  4. Di maneh teu djadi roegi, toer teu djadi kasoesahan, lamoen teu njawad djeung mojok, anggoer lamoen aja djalma, menta dipapatahan, eta mah noe menta woeroek, pagahan sabisa-bisa.
  5. Теu asoep kana tjirigih, atawa kana tjawadan, reudjeung deui oelah poho, sing ingĕt toedjoeh prakara, noe djadi satгое awak, arak madat maling ngadoe, awewe sarta maehan.
  6. Watĕkna noe nginoem sopi, ana kaliwatan reja, tangtoe djadi matak mabok, ari lakoe mabok teja, sok ngaleungitкеun akal, leungit era tinggal napsoe, toengtoengna matak tjilaka.
  7. Тjara poetra Dwarawati, sang praboe Naraka Soera, sapandjangna mabok bae, sanadjan gagah prakosa, ari tinggal ingĕtan, toengtoengna maehan doeloer, Samba Prawira ditigas.
  8. Njakitoe watĕkna sopi, ari watĕk nginoem madat, banda bejak boedjoer bodol, ngindjeum taja noe mĕrtjaja, ari watĕkna bangsat, teu njaäh oetjoel sareboe, rasa babari ngalana.
  9. Тарі deukeut ka balai, gampang ka bitoer dosana, sanadjan rasa boeni ge, koedoe bae kapanggih mah, soesah taja
[ 10 ]

    toengtoengna, saoemoer soempoet salindoeng, inggis papanggih djeung djalma.

  1. Аri ati anoe maling, dibalik teu tjara kantja, malah kaloedeungna mejong, kasijeuna pada djalma, pikir disoengsang pisan, nja kitoe deui noe ngadoe, datang oendoer teu kаtimbang.
  2. Sapeuting meunang sadoewit, oendoer sapowesa oewang, kaloewarna gampang bae, rasa teu gĕde modalna, liwat tina itoengan, anoe ĕnggeus potol ngadoe, maling atawa maehan.
  3. Noe maehan kitoe deui, saoemoer dioedag-oedag, toengtoengna kapanggih bae, maehan noe taja dosa, lain dipangpĕrangan, sanadjan soempoet-salindoeng, toengtoengna tangtoe kabanda.
  4. Таngtoe meunang hoekoem adil, dibalésna koe nagara, nja kitoe deui awewe, mamanisna teu sapira, tjilakana katjida, moen ngarĕboet sĕlir ratoe, beuheung pigantijeunana.
  5. Моеn ka noe boga salaki, oelah wani gogondjakan, asalna oelin djeung otjon, noengtoen kana bobogohan, he agoes anak bapa, eta lampah noe sakitoe, poma masing jatna pisan."
  6. Ngawalon rahaden Pandji, "sĕdja dilampahkeun pisan, sapangwoeroek bapa kabeh, tapi manawi trang manah, amit boelan ajeuna, rek ngoembara nganteur napsoe, soegan aja papanggihan."
  7. Ngalahir deui ki patih, "he agoes anak si bapa, boelan ijeu oge hade, tatapi isoekan bapa, rek ngadjadjal tanaga, пjoba kabĕdasan agoes, aja sahidji gondewa.
  8. Рoesaka kagoengan goesti, toetoeroenan sokadana, saroewa djeung tangkal djambe, sarta bеusi gondewana, reudjeung sahidji gada, bеusi beurat doewa pikoel, eta noe doewa poesaka.
  9. Isoek tjoba koe ki Pandji, gondewa pĕtjak diрĕntang, gada pĕtjak djingdjing bae, eta teh taksiran bapa, pikadjoengdjoengeun pisan", rahaden Pandji ngawangsoel, "nĕda djijad langgih bapa."
[ 11 ]
  1. Каtjatoer isoekna deui, isoek-isoek Pandji goegah, sanggeus siram ladjĕng nganggo, panganggo kasatrijaän, njoengkĕlang doehoeng ladrang, kasep hade sĕgoet panggoeh, wantoening poetra sri nata.
  2. SINOM.

  3. Тoeloej ngadeuheus ka rama, sampojong noe sĕmoe isin, tindakna jatna djatnika, sa boedi-boedi moe lĕnggik, manis titih rĕspati, oemoer opat wĕlas tahoen, katingal koe ramana, disambat ditjandak tjalik, raden Pandji gek tjalik tjĕdok sĕmbahna.
  4. Кі arja patih ngandika, "he anak bapa ki Pandji, eta gondewa djeung gada, poesaka djimat nagari, ajeuna koe ki Pandii, eta gada tjoba djoengdjoeng," ki Pandji ladjĕng njandak, gada teh didjingdjing-djingdjing, dioendikeun sĕmoe hanteu pisan beurat.
  5. Агja patih soeka boengah, kaget sakoer noe ningali, aja moerangkalih bĕdas, ki patih ngalahir deui, "he agoes raden Рandji, gada soekoer geus kapanggoel, ngan kari gondewana, tjoba agoes рĕntang deui," ladjĕng raden Pandji pek mĕntang gondewa.
  6. Gondewa ĕnggeus kapĕntang, sĕmoe hampang raden Рandji, ki arja patih ngandika, "soekoer bagdja anak aing, di sisi taja tanding, di lĕmboer mo nimoe moesoeh, karana ti baheula, tatjan aja hidji mantri, anoe koewat ngadjoengdjoeng panah djeung gada.
  7. Еta agoes djadi tanda, ajeuna ĕnggeus kaboekti, matih toeman batan toembal, nadjan adjar djeung paradji, bĕdasna mowal mahi, lamoen idjen reudjeung agoes, tapi wĕwĕkas bapa, poma agoes oelah rek dir, boga rasa maneh noe bĕdas sorangan.
  8. Karana moenggoeh manoesa, hanteu aja anoe leuwih,
[ 12 ]

    sarta larangan manoesa, ngabogaän ati ĕdir, matak tinggal pamilih, koerang рĕгjatna pakewoeh, kitoe wĕwĕkas bapa, poma agoes masing eling, oelah poho ingĕtkeun salalawasna.

  1. Аjeuna maneh rek njaba, bapa panoedjoe teh teuing, sing reja ngambah nagara, soepaja tambah pangarti, soegan bae ki Pandji, djaga bisa djadi ratoe, mangkoe di Sokadana, ngawoelakeun bapa aki, reh sangratoe teu kagoengan deui poetra.
  2. Аri anoe djadi radja, djeung bapa asal sabibit, djadi рĕrnah doeloer misan, koe sabab eta ki Pandji, lamoen boga pangarti, patoet oge djadi ratoe, mangke di panjabaan, masing katiten kaharti, adat-adat radja di oenggal nagara.
  3. Sarta pĕta nagarana, djeung mĕtakeunana adil, soepaja djaga katoelad, moen parĕng baring soepagi, parĕng djeung titis-toelis, oetoen bisa djadi ratoe, hidji-hidji nagara, ratoe noe adil noe dĕngki, anoe jasa djeung hanteu ngoeroes nagara.
  4. Sakabeh djijeun toeladan, tjatĕt dina djĕro ati, koedoe tjampoer djeung noe dagang, soemawona djeung noe tani, soepaija manggih boekti, lampahna kabeh kasoeroep, mangke geus djadi radja, bisa nimbang ka noe leutik, kasoesahan dagang tani kanjahowan.
  5. Lamoen radja koerang loewang, teu jasa nimbang noe leutik, ngan kangeunahan andjeuna, noe di ladjoer beurang peuting, ari ati noe leutik, teu pisan dioeroes-oeroes, toer pangdjadina menak, tina sabab reja koering, teu djoemĕnĕng radja lamoen taja djalma.
  6. Radja ngaratoewan djalma, lain ngaratoewan boemi, sanadjan lĕga taneuhna, koerang djalma hanteu hasil, bidjilna hasil boemi, koedoe karana diatoer, dipatjoel dipelakan, kakara rek bidjil hasil, hasil oge koedoe dimodalan soesah.
  7. Soesahna teh ngoeroes teja, mĕtakeun lampahing abdi, djeung ratoe koedoe mariksa, kasoesahna koering-koering,
[ 13 ]

    ngadamĕl toekang tilik, noe ngintip lakoe di poengkoer, bisi aja hamana, anoe пganijaja koering, mantri lentah noe sok njeuseup gĕtih tjatjah.

  1. Reudjeung deui moenggoeh radja, oelah kabitaän teuing, koe banda tjatjah noe endah, bisi djaheut pikir abdi, moen aja banda koering, noe aloes patoet di ratoe, pantĕs aja di radja, noe sigit aja di mantri, hade galeuh tapi koedoe sahargana.
  2. Sarta miwarang noe lijan, anoe bangkit djoewal meuli, oelah dakoe piwarangan, karana moenggoeh di koering, ati babanda adjrih, lamoen digaleuh koe ratoe, teu bisa neundeun harga, tjatoerna ngan sĕdja bakti, djro atina ngoeloewoet hanteu katara.
  3. Тарі ngarandĕg pikirna, hanteu nijat njijar deui, barang noe aloes noe endah, da bisi dipoendoet deui, tjatjah teh tĕtĕр miskin, makajana hanteu ladjoe, lamoen tjatjah malarat, radjana nja hanteu soegih, radja wadjib njaäh ka tjatjah-tjatjahna.
  4. Radja oepama nangkoda, noe sok lajar warawiri, koedoe toelaten ka kapal, sarta kalampah kalasi, moen matros koerang apik, kapalna babari Iĕboer, lamoen roeksak kapalna, kalĕboeh toengtoengna leungit, kapal kalĕm nangkodana mowal tinggal.
  5. Аri lampah kapal teja, koedoe aya djoeroemoedi, sarta pintĕr moealimna, noe njaho oeroesan angin, soepaja bisa nĕрi, ka mana anoe didjoegdjoeg, nadjan pintĕr istriman, moen taja djoeroe kamoedi, mowal ladjoe sabab taja раngingĕrna.
  6. Sanadjan pintĕr istriman, reudjeung ampoeh djoeroemoedi, ari taja kalasina, lampahna mowal ngadjadi, eta nja kitoe deui, saratna djoemĕnĕng ratoe, kapal misil nagara, ari istrimana patih, djoeroemoedi minangka djaksa pĕrdata.
  7. Аri matros-matros teja, oepama panggawa mantri, lajar djeung talitalina, oepama tjatjah noe leutik, kapal oepama boemi, noe dilinggihan koe ratoe, radja koedoe waspada, lamoen ngadamĕl papatih, koedoe pintĕr binangkit reja elmoena.
[ 14 ]
  1. Sampoerna lakoe-lampahna, sabar darana djeung adil, soekoer lamoen koelawarga, moen kasartaän djeung harti, nadjan lain pangampih, moen boedi lampahna loeloes, bĕrsih tĕrang hatena, ngaleuwihan ti pangampih, elmoe leuwih tina kasaejan warga.
  2. Sarta ari njijeun djaksa, saratna pintĕr djeung radjin, sarta hade lakoe-lampah, hanteu sirik hanteu pidik, moen djaksa hanteu adil, tangtoe matak koesoet Iĕmboer, tereh boerak nagara, ari tĕgĕsna teu adil, mikanjaäh ka bangsat ka djoeroedjana.
  3. Мibaraja ka noe salah, miidjid ka noe bĕrĕsih, sarat anoe djadi djaksa, manehna heula pribadi, lakoe lampahna apik, oelah njĕret oelah ngadoe, soepaja djadi taha, teu inggis nĕrapkeun adil, moen manehna nĕtĕрkeun lampah noe salah.
  4. Таngtoe djaksa mowal bisa, nĕrapkeun koemaha wadjib, sijeun katembong manehna, anggoer disoempoetkeum boeni, geus tangtoe roeksak adil, moen djaksa pĕrdata kitoe, he agoes anak bapa, Pandji woeloeng mangka eling, soegan bae maneh bisa djadi radja.
  5. Pandji woeloeng ngawalonan, noen bapa nijat simkoering, sĕdja dilampahkeun pisan, sarĕng moegi aja toelis, djadi pamĕngkoe boemi, ngawoelakeun sĕpoeh-sĕpoeh, bisa malĕs kawĕlas, heman iboe rama aki, anoe djadi lantaran hiroep di doenja.
  6. Кі агja patih ngandika, he anak bapa ki Pandji, soekoer kitoe nja tarima, bapa boengah pisan pikir, ladjĕng rahaden Pandji, moendjoeng ka rama ka iboe, sarta ka pangasoehna, noe ngaran nji Тоendjoengsari, tatjan trangeun jen eta poegoeh iboena.
  7. Sanggeus moendjoeng ladjĕng mangkat, doewa panakawan ngiring, panakawan papasangan, poen Djanggala poen Djanggali, doewanana lalaki, kĕmbar sakali ngadjoeroe, geus disangoewan harta, nji Patih midangdam nangis, Тоendjoengsari tjoemalimba tjisotjana.
[ 15 ]
  1. Raden lastari angkatna, doewa panakawan ngiring, ĕnggeus kaloewar ti koeta, manahna sĕdih prihatin, ejar kerak djeung geuri, tikoekoer reudjeung dĕdĕroek, tjangehgar patembalan, sĕmoe noe miloe prihatin, kawas anoe mileuleujankeun noe angkat.
  2. Raden angkat rerejongan, mapaj tĕgal njoekang pasir, ki Djanggali ki Djanggala, tiloewan pairing-iring, sato kasorang njingkir, toeroen goenoeng oenggah goenoeng, poen Djanggali Djanggala, hatoeran ka raden Pandji, koering tjape mangga oerang sindang heula.
  3. Наndapeun ijeu kijara, sĕmoena tariis teuing, sakĕdap ngeureunan palaj, ladjĕng sindang raden Pandji, njarande kana kаi, waktoena sarijak lajoeng, tĕrang hade sorena, toeloej aja mejong bidjil, keur anakan bidjil ti dapoeran mandjah.
  4. Rek ngarontok ki Djanggala, Djanggali ngĕdjat ngadjĕrit, raden Pandji mĕntang panah, dipĕssat mĕnĕran pingping, mejong naradjang wani, gabroeg ngarontokna loepoet, raden Pandji tangginas, njingtjĕt bari njaboet kĕris, ditĕwĕkkeun mĕnĕram boeka kelekna.
  5. Меjong roeboeh kapisanan, sakali teu hoedang deui, ki Djanggali ki Djanggala, pada ngalĕm raden Pandji, nja kasep bari sakti, koering meh ditĕkoek maoeng, komo teuing mangkena, moerangkalih keneh sakti, koering koedoe dileler loengsoeran sindjang,
  6. Raden Pandji kahatoeran, ari maneh sok dibalik, bĕnĕrna kami noe tampa, pangoepah pisalin samping, ki Djanggala Djanggali, boeroehan maehan maoeng, lamoen hanteu ka geuwat, mejong dipanah koe kami, maneh tangtoe djadi tjadoek maoeng teja.
  7. Кі Djanggali djeung Djanggala, madoewan ka raden Рandji, ĕnja bae koering tiwas, tapi adjĕngan ge roegi, lamoen teu aja koering, koedoe andjeun nanggoeng soemboel, kĕреk pangangoteja, mesĕm lĕlĕb raden Pandji, kami eleh kop ijeu rorodan sindjang.
[ 16 ]
  1. Djalan tina babanjolan, omong Djanggala Djanggali, tatapi aja eusina, noeloengan wadjib di goesti, lamoen teu noeloeng koering, djoeragan teh koedoe nanggoeng, wantoening menak bakal, pandjang manah lantip boedi, tjatoer sae sakĕtjap ge di kandjoetan.
  2. Sanadjan bidjil ti tjatjah, moen tjatoer hade ditampi, sanadjan pitoetoer adjar, lamoena salah ditampik, ti dinja raden Pandji, djeung gandek naek ka loehoer, kana tangkal kijara, sabab geus kasapoet peuting, powek mongkleng sabab malĕm pareum boelan.
  3. Rame sora sasatowan, badak banteng noe kakoeping, mejong handapeun kijara, gĕrang-gĕroeng matak risi, rek naek kana kai, njoesoed djalma noe di loehoer, ki Djanggali Djanggala, kesang lokot kawas mandi, ngadaregdeg moerijang teu kawajaan.
  4. Raden Pandji kahatoeran, ih maha borangan teuing, moen tatjan nĕрi ka mangsa, poepoet njawa titis toelis, montong rarisi teuing, mowal djadi tjadoek maoeng, ngawalon ki Djanggala, geuraheun teuing teu risi, koering asa geus aja dina beuteungna.
  5. Наwar-hawar katinggalan, mejong naek kana kai, raden Рandji ĕnggeus jatna, singkil bari matĕk kĕris, geus tĕrang katingali, maoeng ditĕwĕk ngagaoek, keuna hoeloe angĕna, gĕboet ragrag tina kai, kapisanan paeh handapeun kijara.
  6. Кі Djanggali ki Djanggala, ngadĕngek kawanti-wanti, геuwaseum teu kira-kira, asa pek ditjĕwol birit, goemoedjĕng raden Pandji, poma oelah pada goegoep, eta mejong geus modar, hĕmo oelah pada tjeurik, oelah tjektjok bisi batoerna daratang.
  7. Кі Djanggali ki Djanggala, ngarerepeh hanteu oesik, ambĕkan oge ditahan, kesang lokot kawas mandi, raden Pandji ngalahir, mariksa bowa geus isoek, itoe siga balebat, teu ngawangsoel ki Djanggali, ĕmpes-ĕmpes bawaning koe kasijeunan.
[ 17 ]
  1. Кatjatoerkeun geus braj bеurang, ladjĕng mangkat raden Pandji, rajap oentjal di boeboelak, rĕndang badak геudjeung sapi, lĕmboena ngadjoengkiring, maoeng djalang tinggarĕroeng, raden kaloenta-loenta, panas powe mĕntrang-mĕntring, toeloej manggih wahangan tjai di tĕgal.
  2. Тjai herang nanakĕran, di sisina aja kai, di handapna ijoeh pisan, raden sindang sisi tjai, dina handapeun kai, sĕrta bari tjoetjoel-tjoetjoel, ti dinja toeloej siram, teuteuleuman dina leuwi, di kasajan koe Djanggali djeung Djanggala.
  3. Sanggeus setra toeloej handjat, tjalik di handapeun kai, moerak sasangoewan teja, aron ditinjoeh koe tjai, raden dahar saeutik, estoening tatamba lĕsoe, toeloej rorodanana, ditĕda koe ki Djanggali, djeung Djanggala doewaän kamĕrĕkaan.
  4. Тоеloej aja djalma datang, moeroe ka handapeun kai, tiloewan marawa toembak, djĕlma djagdjag dagal-digil, sĕrta pating poerikil, mata beureum koemis nanggoeng, djeung ngakeup boeboentĕlan, barang gok djeung raden Pandji, sĕmoe kaget hanteu njana aja djalma.
  5. Ngomong sadjroning pikirna, dalah ijeu manggih deui, kabĕnĕran bagdja awak, aing bakal njoren kĕris, noe boga boedak leutik, sarta hidji lawan tiloe, ti dinja toeloej nanja, he agoes anoe ti mĕndi, raden njaoer kapoengkoer ti Sokadana.
  6. PANGKOER.

  7. Sĕdja njaba ngalalana, ngitoeng lĕmboer ngadjadjah milang kori, hanteu poegoeh noe didjoegdjoeg, balik paman sadaja, noe ti mana tiloewan sĕmoe raroesoeh, loerah begal ngawangsoelan, aing ngaran Djajapati.
  8. Тjikeneh mĕntas ngabegal, toedjoeh djalma modar
[ 18 ]

    taja noe kari, bangkena toedjoeh patoemроеk, balik maneh ajeuna, lamoen masih keneh maneh hajang hiroep, ka dijeukeun banda sija, koe aing mowal dipeuntjit.

  1. Rahaden Pandji ngandika, bari mesĕm paman takaboer teuing, pati batoer dihahangoe, mangke tjaralik heula, ijeu tjatang noe malang soemangga panggoel, lamoen kapanggoel koe paman, kaoela soemĕdja ngiring.
  2. Djeung njanggakeun babandaän, tapi lamoen koe paman teu kаindit, koe koela meureum dipanggoel, eta minangka tanda, djadi eleh saha noe teu koewat manggoel, mĕlĕngĕk ki loerah begal, pikirna geus rada risi.
  3. Neuleu tjatang anoe malang, gĕde pisan tangtoe mowal kаindit, maksakeun maneh pek nangtoeng, tjatang toeloej dipoendak, teu kabawa kesangna datang ka ngoetjoer, hanteu obah-obah atjan, mesĕm lĕlĕb raden Pandji.
  4. Kі Djajapati pek njĕntak, maneh oge mowal ĕnja kaindit, lamoen koe maneh kadjoeng-djoeng, kami sĕdja ngawoela, rek noetoerkeun kamana anoe didjoegdjoeg, ngadĕg raden Рandji dangdan, tjatang dipanggoel kаindit.
  5. Wantoening tina geus toeman, pangadjaran manggoel timah djeung beusi, tjatang didjoengdjoeng dipanggoel, begal anoe tiloewan, pada njĕmbah soedjoed kana dampal soekoe, bari pada totobatan, pihatoerna sĕdja ngiring.
  6. Kі Djanggali ki Djanggala, goegoelingan bawaning soeka ati, nabeuh kelek tjĕprat-tjĕproet, barina sĕsĕnggakan, geuга lawan djoeragan aing noe wĕdoek, poetra patih Sokadana, sakti manggoelang-manggoeling.
  7. Njaoer raden Pandji poetra, oelah kitoe maneh soewaban teuing, teu hade djalma noe agoel, matak meunang tjotjoba, ki Djangala Djanggali njĕmbah ngawangsoel, koemaha da atoh pisan, ngelehkeun poen Djajapati.
  8. Lamoena eleh adjĕngan, tangtoe koering miloe kabojong deui, los didjoewal ka Malajoe, tangtoe djadi dagangan,
[ 19 ]

    raden Pandji njaoer bari sĕmoe imoet, he Djajapati ajeuna, paman geus taloek ka kami.

  1. Kоеma pikarĕреun paman, Djajapati ngawalon sĕmoe adjrih, njanggakeun badan sakoedjoer, sĕdja ngalĕboer tapak, sĕdja ngiring kamana anoe didjoegdjoeg, njaoer raden Pandji poetra, soekoer paman sĕdja ngiring.
  2. Аri pikarĕреun koela, rek ngoembara ka tanah atas angin, sĕdja rek nejangan elmoe, matoer ki loerah begal, raden montong djaoeh-djaoeh noe didjoegdjoeg, anggang-anggang noe ditejang, di ditoe aja noe sakti.
  3. Аdjar djadi pamoedjaän, lĕpoes pisan sapanorahna djadi, sok ngawoeroek djampe wĕdoek, magahan kadjajaän, malah ratoe Sokadana ge sok moendjoeng, baheula moenggah dipapag, dibawakeun tandoe djoli.
  4. Raden Pandji ngalĕlĕkan, djaman mana koela teu meunang warti, sangratoe moendjoeng ka doekoen, kasoempingan ki adjar, Djajapati ngawalon ka Pandjiwoeloeng, meureun bae teu oeninga, da andjeun mah moerang kalih.
  5. Ваheula geus lawas pisan, ĕnggeus lima wĕlas tahoen ge leuwih, ari noe matak disaoer, ratoe teh kasoesahan, tjarijosna sĕlir kakasih ditoedoeh, diseboetkeun bobogohan, pawarang anoe istori.
  6. Ratoe teu pati pĕrtjaja, toeloej njaoer adjar noe kongas sakti, moendoet panorah ki doekoen, adjar Goena Wisesa, toeloej adjar ngadeuheusan ka sangratoe, sĕlir ditorah jen ĕnja, bobogohan reudjeung mantri.
  7. Sĕlir ladjĕng dipaehan, istorina pawarang manggih boekti, tĕroes djeung panjĕboet doekoen, raden Pandji ngandika, paman Djaja di mana imahna doekoen, koela hajang ngadeuheusan, goegoeroe bĕdas djeung sakti.
  8. Kі Djajapati hatoeran, kidoel-koelon lalampahan sapeuting, patapan toetoegan goenoeng, raden Pandji пgandika, hajoe paman koela anteur nĕda toedoeh, bral
[ 20 ]

    angkatna gagantjangan, hajang geura gok papanggih.

  1. Meunang sapeuting di djalan, gagantjangan katjatoerkeun geus nĕpi, di patapan adjar pinoeh, koe djalma nĕda tamba, reudjeung djalma noe goegoeroe bĕdas wĕdoek, toeloej adjar teh mariksa, ijeu agoes noe ti mĕndi.
  2. Ngawalon sang Pandji poetra, noen kiai ari asal sim koering, ti Sokadana kapoengkoer, soemĕdja ngalalana, rek goegoeroe elmoe bĕdas reudjeung wĕdoek, tjarijos adjĕngan pisan, noe ngawoeroek wĕdoek sakti.
  3. Goemoedjĕng kiai adjar, ĕnja pisan kami magahan sakti, kabĕdasan sarta wĕdoek, raden Pandji hatoeran, noen kiai sad koela sĕdja goegoeroe, sĕdja njantri di sampejan, manawi bahan katampi.
  4. Ngalahir deui ki adjar, hade pisan lamoen rek nijat njantri, kaditoe tjampoer djeung batoer, tidinja raden mĕrnah, katjatoerkeun isoekna koempoel ngarijoeng, moerid pada di woeroekan, djampe bĕdas wĕdoek sakti.
  5. Tapi taja anoe njoba, ngan djampena di adji beurang peuting, raden hatoeran ka goeroe, djampe mah geus apal, tapi djasad koela ajeuna noenoehoen, di boektikeun masing njata, kabĕdasan reudjeung sakti.
  6. Ki adjar bĕngis tembalna, naha maneh mana tjampĕlak teuing, koemawani ngomong kitoe, kawas noe teu pertjaja, koedoe-koedoe ngaboetikeun sakti wĕdoek, djampe teu beunang di oenghak, djeung oelah dipake oelin.
  7. Hanteu meunang lalawora, koedoe ngandĕl jen djampe eta matih, mangke ari manggih moesoeh, didinja kaboektina, raden Pandji hatoeran barina imoet, njasat masih keneh hamham, moen tatjan kapanggih boekti.
  8. Ki adjar bĕndoe katjida, saoemoerna tatjan aja noe wani, sewot ladjĕng njandak batoe, raden Pandji di balang, keuna kana mastaka oedĕngna oetjoel, raden Pandji kapowekan, ladjĕng ngadĕg njaboet kĕris.
[ 21 ]
  1. Аdjar ditĕwĕk angĕnña, ngadjoempalik teu bisa hoedang deui, moeridna bela ka goeroe, kabeh pada naradjang, Djajapati sabatoerna miloe ngamoek, ngabelaan raden poetra, гoesoeh pada ngadoe kĕris.
  2. Оerang patapan tеu tahan, anoe hiroep pada loempat пgabĕtjis, sawareh aja noe taloek, awewe maridangdam, sanggeus aso raden Pandji teh ngawoeroek, tah eta kitoe pĕtana, ajeuna geus pada ngarti.
  3. Раgawejan eta adjar, taja deui ti bеurang djeung ti peuting, ngan ngawoeroek djampe wĕdoek, sakti djeung kabĕdasan, tapi boekti hanteu sakti hanteu wĕdoek, hanteu bĕdas-bĕdas atjan, istoening ngan malar sadji.
  4. Kі Djajapati oendjoekan, Iĕrĕs pisan salahir raden Рandji, tatapi ari kapoengkoer, djalma koering djeung menak, taja pisan noe wani kitoe ka doekoen, dikongaskeun adjar moelia, barang satjiptana djadi.
  5. Disĕboet goena wisesa, tĕroes tingal sapangandikana matih, dioegoeng koe ratoe-ratoe, disĕmbah koe ponggawa, ajeuna mah boekti jen ki doekoen mikoeng, kiai adjar koerang adjar, ki paradji malar sadji.
  6. Ngandika rahaden poetra, hajoe oerang meudjeuhna indit deui, oerang nejangan parahoe, kaoela hajang kĕbat, ka pasisir ngadago datang parahoe, ti dinja bral raden djĕngkar, kinanti djeung Djajapati.
  7. KINANTI.

  8. Ladjoe lampah Pandjiwoeloeng, diiring koe Djajapati, ki Djanggali ki Djanggala, djeung batoerna Djajapati, ngaran ki Kĕbo manggala, kalimа Kĕbo rarangin.
  9. Тоегоen goenoeng oenggah goenoeng, njorang lĕbak пjoekang pasir, ngaliwat kana boeboelak, sampalan badak
[ 22 ]

    djeung sapi, djaoeh tjoendoek anggang datang, soemping damping ka pasisir.

  1. Raden ngantosan parahoe, tjalikna dina kikisik, disasarap dangdaoenan, daoen bakoeng djeung badori, tamba kĕsĕl sasaoeran, njaritakeun adjar tadi.
  2. Raden Pandjiwoeloeng njaoer, koela ingĕt omong tadi, bareto paman bebedja, lampahna adjar noe tadi, basana di hatoeranan, ka Sokadana koe goesti.
  3. Keur norah sĕliran ratoe, noe ditoeding padjar djoelig, sĕlir teh saha ngaraña, djeung saha lawaña djoelig, Djajapati ngawalonan, soemoehoen kanjaho koering.
  4. Eukeur tjatoering pitoetoer, ngaraña nji Toendjoengsari, asal oerang Balangbangan, lalakina poen Panoelih, tjarijosna dipaehan, malah katoet.poen Panolih.
  5. Rahaden toengkoel ngadĕroek, Djanggala Djaggali tjeurik, raden njĕsĕgan mariksa, koenaon maraneh tjeurik, tjik waktjakeun saĕnjana, montong dipandang dipinding.
  6. Djanggala Djanggali matoer, tjatjarita siligĕnti, goesti kijeu tjarijosna, ari njimas Toendjoengsari, dipikaäsih katjida, meh ngelehkeun prameswari.
  7. Pawarang teh sangĕt giroek, toeroeg-toeroeg Toendjoengsari, bobot pisan ti sangradja, tambah giroekna djeung idjid, pirang-pirang pitjeutjeuban, djampe paradji teu matih.
  8. Toeloej hatoeran ka ratoe, ngoendjoekeun nji Toendjoengsari, gadoeh lampah bobogohan, djeung mantri ngaran Panolih, malah sĕlir anoe reja, sami wani djadi saksi.
  9. Ladjĕng di pariksa tĕroes, sĕlir sami djadi saksi, tapi manah radja mangmang, doemeh maroe noe istori, hatoeran deui pawarang, moen hanteu pĕrtjantĕn goesti.
  10. Mangga naros kanoe lĕpoes, aja anoe leuwih sakti, ki adjar Goena Wisesa, geus kontjara adjar sakti, tĕroes tingal tĕroes rasa, oeninga noe tatjan boekti.
[ 23 ]

  1. Ladjĕng ki adjar disaoer, dipapagkeun tandoe djoli, nji pawarang miwarangan, ngintoen panganggo djeung doeit, bari moendoet di tĕroesan, ngawonkeun nji Toendjoengsari.

  2. Tidinja ki adjar tjoendoek, pok dipariksa koe goesti, ki adjar njijeun tarekah, soepaja diandĕl matih, ati mejong ati hajam, ditjampoer djeung mĕnjan poetih.

  3. Ngĕloen koekoesna kamanggoeng, ki adjar dikoedoeng poetih, dipajoenan koe sang radja, dirijoeng koe para istri, sanggeus tjĕngkat, tjatjarita, jen ĕnja nji Toendjoengsari.

  4. Lakoena tjidra ka ratoe, bĕlang bajah gindi pikir, malah ajeuna reuneuhna, poegoeh beunang ki Panolih, sang radja djadi bĕndoena, toeloej nimbalan ki patih.

  5. Ladjĕng piwarang dihoekoem, Toendjoengsari djeung Panolih, raden patih ngatoeranan, pirang-pirang tĕmah wadi, tapi ratoe teu ngamanah, koedoe bae dipareuntjit.

  6. Sarta tjeulina dipoendoet, ladjĕng raden Arjapatih, Panolih djeung Toendjoeng teja, ditjandak bade dipeuntjit, tapi sadjroning manahna, ki patih kalangkoeng watir.

  7. Ka eta ngaran nji Toendjoeng, sarehna lampahna brĕsih, ngan koe akal nji pawarang, ngistoerikeun make saksi, sarta sailon djeung adjar, migoreng nji Toendjoengsari.

  8. Raden Arjapatih langkoeng, njaähna ka Toendjoengsari, doemeh keur bobot ti radja, sarta moenggoeh kangdjĕng goesti, teu kagoengan pisan poetra, noe pingagĕntoseun linggih.

  9. Ladjĕng diteundeun ka lĕmboer, eta njimas Toendjoengsari, dipangdamĕlkeun babakan, lĕmboer singkoer boeni-boeni, Panolih ditoendoeng mangkat, kitoe tarekah ki patih.

  10. Sarĕng raden patih toeloej, njijar pigantijeun tjeuli, doemadakan ĕnggeus mĕndak, di pandjara hidji majit, toeloej dikeureut tjeulina, sor disanggakeun ka goesti.

  11. Ari eta njimas Toendjoeng, teu lila bobotna bidjil, poetrana nja andjeun pisan, ari eta raden patih, rama poeloeng noe roemawat, rama tĕgĕs mah nja goesti.


[ 24 ]
  1. Raden poetra Pandjiwoeloeng, reup geuneuk sarta ngagidir, njaoer bari doemareuda, handjakal hanteu ti tadi, njaho kitoe tjaritana, lalampahan indoeng kami.
  2. Letah si adjar di tiroek, sabab djalma goreng biwir, tapi ajeuna geus modar, teu pedah pandjang dipikir, ngan beunang djijeun ingĕtan, oelah ngandĕl ka paradji.
  3. Montong ngagoegoe ka doekoen, ka noe sanggoep madjar sakti, bodona anoe perljaja, hanteu dipikir koe ati, sanggoep bĕdas teu ditjoba, sakti teu dipenta boekti.
  4. Ajeuna koela ka pajoen, mowal ngandĕl ka noe sakti, lamoeña tatjan katjoba, ngawalon ki Djajapati, lĕrĕs lahiran adjĕngan, koering ge nja kiloe deui.
  5. Raden Pandjiwoeloeng njaoer, paman koedoe eling-eling, lampah paman noe katoekang, ngabegal ngarampog maling, kabeh koedoe dieureunan, tangtoe doraka nja diri.
  6. Mowal taja deui lakoe, sadjaba ngabegal maling, leuwih hade pĕpĕlakan, asil aja pikir tiïs, teu sijeun koe adil radja, hasil tani djadi daging.
  7. Ki Djajapati ngawangsoel, sim koering njoehoenkeun saksi, tjadoe toedjoeh patoeroenan, lampah ngabegal djeung maling, koe koering karasa pisan, taja pisan sĕnang ati.
  8. Koering taja deui lakoe, ngan ngabegal reudjeung maling, tatapi taja njangsangna, banda beunang koering maling, djeung rasana langkoeng panas, sijeun kapanggih koe mantri.
  9. Raden eukeur goenĕm tjatoer, sasaoeran di pasisir, lapat-lapat katingalan, kapal ti tĕngah ka sisi, toeloej kapal laboeh djangkar, boengah manah raden Pandji.
  10. Toeloej aja sampan toeroen, ditoempakan koe kalasi, teu lila datang ka darat, sĕdjana rek ngala tjai, geus panggih djeung raden poetra, ti dinja raden pasini.
  11. Miloe noempang ka parahoe, soemĕdja ka tanah Kĕling, toeloej raden toenggang sampan, sarta Djanggala Djanggali, Djajapati sabatoerna, dipiwarang moelang deui.
[ 25 ]
  1. Ngadago-dago di lĕmboer, nĕpi kana raden soemping, ngoembara ti tanah sabrang, rahaden Pandji lastari, nitih kapal ladjĕng lajar, di kapal di poesti-poesti.
  2. Ari noe gadoeh parahoe, oerang malajoe patani, katjatoerkeun dina kapal, aja hidji menak Boegis, toenggal sĕdja ngalalana, ngarana Daheng Bramani.
  3. Hanteu rama hanteu iboe, kalangkoeng njandang prihatin, asalna toeroenan adjar, ratoe di nagara Boegis, ĕnggeus kapĕrnah boejoetna, ka noe mangkoe boemi Boegis.
  4. Ajeuna ĕnggeus patĕpoeng, di kapal djeung raden Pandji, toeloej wawoeh goelĕt pisan, sapapait samamanis, kawas saiboe sarama, raden Pandji djeung Bramani.
  5. Oenggal peuting sok diwoeroek, tindak-tandoek tata-titi, tambah lila tambhah loma, Pandji djeung Daheng Bramani, hanteu katjatoer lilana, dongkap ka tanah Patani.
  6. Toeloej raden poetra loengsoer, ka darat sarĕng Bramani, Djanggali sarĕng Djanggala, hanteu pisah ngiring-ngiring, ti dinja rahaden poetra, ngabdi ka radja Patani,
  7. Daheng Bramani teu kantoen, katjatoerkeun lami-lami, langkoeng ka manah ngabdina, ti dinja rahaden amit, ladjĕng ka nagara Tjĕmpa, Daheng Bramani teu kari.
  8. Radja Patani kalangkoeng, njaähna ka raden Pandji, sarta reja papariña, njangoewan doemeh rek moelih, panganggo noe hoeroeng-herang, sarta pisangoeweun doeit.
  9. Raden ngan meunang sataoen, ngoembarana di Patani, katjatoerkeun ĕnggeus dongkap, ka Tjĕmpa sarta Bramani, milĕmboeran misisijan, ngaboedjang di djoeroetani.
  10. Isoek-isoek manggoel patjoel, boerit-boerit miloe ngarit, ti beurang anjam-anjaman, njijeun-boboko salipi, ti peuting njĕrat di lontar, elingan lalakon diri.
  11. Taja lakoe noe kalaroeng, ditoelis ti barĕng’ indit, ti nagara Sokadana, naon-naon noe kapanggih, djadi babad salirana, pitjontoweun ĕnggeus soemping.
[ 26 ]
  1. Katjarita hidji waktoe, kira wantji tĕngah peuting, datang rampog pirang-pirang, ka lĕmboer ki djoeroetani, geur soerak gĕro noe nangtang, tingsarijĕng sora bandring.
  2. Ngagoeroeh sora pamĕntoer, rampog njĕsĕg njatjar bilik, raden Pandji geus tangginas, ki Daheng ĕnggeus tarapti, Daheng geus matĕk badina, raden geus mĕtakeun kĕris.
  3. Ki Daheng djeung Pandjiwoeloeng, ngamoek barĕng ngarah pati, kapala rampog noe keuna, mimitina ngadjoempalik, batoerna kabeh naradjang, geur tjampoeh noe ngadoe kĕris.
  4. Rame gĕloet pada hatoer, powek wantoening ti peuting, bangke ĕnggeus pagoletak, beuheung kawas badan patjing, ngan kari djalma toedjoehan, ditjĕrĕk koe raden Pandji.
  5. Begal toedjoehan geus taloek, katjatoer ki djoeroetani, njeungeutkeun obor djeung damar, rek ngoboran noe prang tanding, sarehna geus repeh prangna, heran pikir djoeroetani.
  6. Ningal majit geus patoempoek, patoempang patindih-tindih, saha noe ngalawan inja, teu njana ka raden Pandji, toeloej raden Pandji poetra, ngalahir ka djoeroelani.
  7. Gĕgĕrowan sisi lĕmboer, ijeu koela njĕkĕl maling, geuwat bawa eta damar, bisi maling leupas deui, aki djoeroetani loempat, njampeurkeun ka raden Pandji.
  8. Bari mawa obor hoeroeng, raden Pandji djeung Bramani, kasampak keur njĕkĕl djalma, toedjoehan patoempang-tindih, beunang ngabanda leungeuña, dikantet didjijeun hidji.
  9. Ki djoeroetani kalangkoeng, kaget sadjĕroning ati. pok naros ka Pandji poetra, he agoes intjoe si aki, ijeu koemaha pĕtana, matak kaget teuing aki.
  10. Itoe di boeroewan pinoeh, koe majit patoempang-tindih, ijeu di dijeu toedjoehan, noe hiroep geus njandang tali, tjik agoes aki bedjaän, djeung saha ngalawan maling.
  11. Raden poetra Pandjiwoeloeng, mesĕm barina ngalahir, batoer pĕrang ngan doewaän, nja ijeu Daheng Bramani, ki djoeroetani njakakak, seuri bari baksa rangin.
[ 27 ]
  1. Ngadjoged bawaning soekoer, sambat agoes intjoe aki, nja kasep nja bisa pĕrang, meh bae ngadjadi majit, aki djeung nini meh modar, keur pĕrang teu bisa bidjil.
  2. M I D J I L.

  3. Raden Pandji mesĕm pok ngalahir, lĕrĕs aki atoh, lamoen taja koela tiwas gĕde, tapi montong ngadjoged teuing, anggoer eta majit, geura pada koeboer.
  4. Raden Pandji ngalahir ka maling, he maneh djroe rampog, aing arek menta soempah bae, koedoe soempah naroehkeun pati, noe tĕroes djeung ati, maneh jen geus taloek.
  5. Lamoen hanteu soempah rek dipeuntjit, beuheungna dipotong, moen geus soempah dileupaskeun kabeh, djoeroerampog matoer ka Pandji, koering sĕdja ngabdi, slalawasna hiroep.
  6. Koering mowal maling-maling deui, atawa ngarampog, moen milampah lakoe-lampah goreng, moegi oelah djamoega koering, toedjoeh troenan koering, sĕdja toeroen tjadoe.
  7. Toedjoeh djalma kabeh pada djangdji, soempah noe sajaktos, toeloej kabeh dileupaskeun bae, katjatoerkeun ki djoeroetani, geus ngoeboeran majit, didjijeun sakoeboer.
  8. Raden Pandji djeung Daheng geus tjalik, dina loehoer ranggon, bojongan teh kabeh ngiring bae, ki Djanggala reudjeung Djanggali, tatjan daek bidjil, njaroempoet di loehoer.
  9. Dina loehoer para njoempoet boeni, ngomong ting-harewos, sarta reudjeung batoer sili towel, eta sada djoeragan soemping, hajoe oerang bidjil, toeloej pada toeroen.
  10. Tingkoeroemoej Djanggala Djanggali, pada dijoek mando, dipariksa ti marana maneh, teu noeloengan kami prang tanding, ngawalon Djanggali, koering lain njoempoet.
[ 28 ]
  1. Naek soteh koering sĕdja ngintip, noe pĕrang djeung rampog, saoepama gamparan noe eleh, koering meureun ngabantoe djoerit, ajeuna ge wani, djeung ijeu noe toedjoeh.
  2. Toeloej bae Djanggala Djanggali, kahojongan njabok, raden njeuseul oelah kitoe maneh, kadongdora maraneh wani, njabok djeung nampiling, ka djalma geus taloek.
  3. Ki Djanggala Djanggali sareuri, njabokna teu mindo, reh kaboeroe diseuseul koe raden, djeung bojongan geus djadi rapih, isoek-isoek tanghi, raden Pandji matjoel.
  4. Panakawan doewanana ngiring, maratjoel di kĕbon, soemawoena eta mah ki Daheng, hanteu pisan pisah djeung Pandji, eta kitoe deui, bojongan noe toedjoeh.
  5. Pada matjoel ngiring raden Pandji, tambah lĕga kĕbon, djoeroetani tambah beunghar bae, reja koeda sapi djeung moending, sarta reja doeit, leuitna parinoeh.
  6. Reja djalma anoe miloe tjitjing, tina sedjen ĕnggon, lĕmboer djadi gĕde sarta rame, boenijaga timana mĕndi, aki djoeroetani, Iangkoeng-langkoeng soekoer.
  7. Heman gĕten toelaten ka Pandji, teu pisan taledor, beurang peuting dimemenan bae, katjarita rahaden Pandji, aja di djroetani, ngan meunang satahoen.
  8. Raden Pandji soeboeh-soeboeh tanghi, ladjĕng nganggo-nganggo, njoren doehoeng dibeulitan tjinde, angkeng lĕngkeh tjara papanting, sakoer noe ningali, kasmaran kalangkoeng.
  9. ASMARANDANA.

  10. Raden Pandji djeung Bramani, sanggeus dangdan ladjĕng djĕngkar, panakawan ngiring bae, Djanggali sarĕng Djanggala, raden njandak gondewa, karsa amĕngan ka goenoeng, ngalasan banteng djeung oentjal.
  11. Sapi hanteu pisan manggih, oentjal hanteu pisan njorang,
[ 29 ]

    ngan manggih oeroetna bae, rahaden kaloenta-loenta, njorang boeboelak lĕga, geus djaoeh pisan ti lĕmboer, raden angkat papanasan.

  1. Panas poewe mĕntrang-mĕntring, njorang tĕgal lĕga pisan, kaina malaka bae, pasĕlang djeung tangkal lontar, toeloej raden ningalan, aja kai ngaroenggoenoek, siga-sigana kijara.
  2. Rahaden njampeurkeun kai, hawaning koe kapanasan, panasna moenggah nereptep, angkat kĕbat gagantjangan, rahaden hanteu lila, soemping kana kai ijoeh, handapeun kijara lenang.
  3. Tiïs sarta bararĕsih, kawas noe beunang njapoewan, ladjĕng raden ebog bae, dina handapeun kijara, niïskeun salirana, hiliwir angin ti kidoel, tiïsna kabina-bina.
  4. Panon powe wantji lingsir, rahaden toeloej ningalan, laoer-laoer tĕbeh koelon, beuki deukeut katingalan, tĕgĕs noe toempak gadjah, gadjah aloes gĕde djangkoeng, ngadoewa djeung poetri endah.
  5. Kaget manah raden Pandji, sarta bingoeng ngamanahan, ijeu teh djĕlĕma naon, ngadoewa djeung poetri endah, di tĕgal ngĕntak-ngĕntak, atawa paningal palsoe, ladjĕng raden ngoesap sotja.
  6. Raden ngawaskeun ningali, djalma toeroen tina gadjah, poetri geulis teh dikaleng, dikalemoh ditjijoeman, dipondong dititimang, dirangkoel sarta dipangkoe, poetri tjĕrik dĕdĕngekan.
  7. Rahaden wĕlas ningali, aja poetri disangsara, koe lalaki hideung goreng, biwir djĕding hoentoe bodas, sarta tjeulina roebak, boeoek rintit koemis nanggoeng, mata beureum ngĕmbang wera.
  8. Tina watirna ki Pandji, ladjĕng mĕntang gondewana, disipat dihade-hade, bĕlĕsat djamparing mĕsat, mĕnĕr kana matana, sot nji poetri toeloej moeroe, ka noe keur njandak gondewa.
  9. Rahaden awas ningali, njingtjĕt bari matĕk ladrang, ditĕwĕk eukeur nolondjong, walikatna tĕroes pisan, roeboeh oetah-
[ 30 ]

    oetahan, sĕgar-sĕgor gĕrang-gĕroeng, teu lila toeloej paragat.

  1. Gadjahna rek bela pati, neuleu djoeragan geus modar, mĕta ngagĕro ngadĕngek, boebat babit toelalena, rek newak raden poetra, tangginasna Pandjiwoeloeng, toelale disabet rampal.
  2. Tina bĕdasna ki Pandji, pintĕr tangginas binĕkas, tjoengtjat-tjingtjĕt hanteu kagok, Daheng Bramani noeloengan, nĕwĕkan kĕkĕmplongan, gadjah teh ripoeh dihoeroep, gĕdeboeg toeloej sakarat.
  3. Toeloej digorok sakali, gĕnggĕrongna sapat pisan, ladjĕng sang poetri dikaleng, ditjalikeun dipariksa, he njai noe ti mana, koemaha asal kapoengkoer noematak kijeu pĕtana.
  4. Dipapangkoe koe lalaki, sarta sakitoe gorengna, hideung matana molotot, kaoela kakara pisan, saoemoer manggih djalma, noe pandena tjara kitoe, mangga nji poetri tjarita.
  5. Poetri njaoer bari nangis, asal ti nagara Tjĕmpa, rama koering ratoe gĕde, marentah sasama radja, asalna kangdjĕng rama, meuli hidji gadjah koekoet, gadjahna nja eta pisan.
  6. Noe gadoeh oerang Banggali, harga lima ratoes rejal, tina ama langkoeng hojong, gadjah sakitoe hidĕngna, ladjĕng digaleuh kontan, tina taja anoe ngingoe, noe gadoeh digadjih boelan.
  7. Sarta didjadikeun mantri, disĕboet mantri Panglima, loenggoehna tjatjah salawe, teu aja deui gawena, ngan woengkoel ngingoe gadjah, oenggal sore oenggal isoek, di bawa marĕk ka radja.
  8. Gadjah koe itjeus teh teuing, ngarti ka omongan djalma, beunang dititah ditjarek, ama langkoeng soeka manah, sarta langkoeng njaähna, ka gadjah djeung ka noe ngingoe, ngabajahkeun ka noe reja.
  9. Pintĕrna oerang Banggali, binangkit ngawarah gadjah, oenggal isoek oenggal sore, ditjotjoö ditoempakan, ngidĕr moetĕr nagara, anoe nongton djĕdjĕl pinoeh, taja kabosĕnanana.
  10. Beuki lila beuki asih, ka eta mantri Panglima, djeung
[ 31 ]

    tambah pĕrtjaja bae, ti dinja ama teh angkat, kĕrsana matjangkrama, njandak garwa poetra poetoe, ka tĕgal anggang ti kota.

  1. Di iring koe para matri, meh kosong djĕro nagara, kĕrsa ngagarogol banteng, djeung ngadamĕl pasangrahan, kabeh para ponggawa, djeung bodjona hanteu kantoen, indit-sirib rame pisan.
  2. Ĕnggeus meunang tiloe peuting, tjalikna di pasangrahan, oenggal powe meunang banteng, ari anoe pangbisana, nja eta ki Panglima, kalindeukan oentjal lĕmboe, ngabĕdil ti loehoer gadjah.
  3. Taja mantri anoe mahi, ari djalma anoe reja, njĕdĕkkeun kana garogol, bowa meunang banteng oentjal, djadi teu aja lawaña, ngan ki Panglima noe poendjoel, reja beubeunangañana.
  4. Djadi ama tambah asih, ka eta mantri Panglima, tina didolos kahojong, ari eukeur mangsa ama, aja di pamorowan, di pondok ngan kantoen iboe, djeung garwa para ponggawa.
  5. Ari koering eukeur oelin, djĕboel ki Panglima datang, roesoeh haroehah-harehoh, pokna piwarang koe rama, njaoer adjĕngan geuwat, rama meunang manoek aloes, eukeur amĕngan adjĕngan.
  6. Pibajaeun diri koering, teu boga pikir rangkĕpan, iboe ge nja kitoe keneh, toeloej koering miloe toempak, dilahoen koe Panglima, gadjah loempat goera giroe, nja datang ka dijeu pisan.
  7. Sakitoe tjarita koering, lampah katiwasan awak, balik koering sĕdja naros, adjĕngan poetra ti mana, saha toewang djĕnĕngan, ti mana nja lĕmboer matoeh, bandjar karang pamidangan.
  8. Ngawalon rahaden Pandji, nja dajeuh ti Sokadana, ti leutik datang ka gĕde, kasangsara kabalangsak, ari ngaran noe nĕlah, ngaran raden Pandjiwoeloeng, nji poetri santĕn mesĕmna.
[ 32 ]
  1. Kabĕnĕran diri koering, asal meh meunang tjilaka, toengtoengna daradjat gĕde, lantaran koering patĕpang, djeung salira adjĕngan, ngan moegi kaoentoen tipoeng, aja awak katambang bejas.
  2. Kalaksanakeun nja diri, peso pangot ninggang lontar, katoeliskeun ka noe kasep, ngawalon rahaden poetra, goesti djoengdjoenan manah, poen kakang njanggakeun oemoer, ngoeroepkeun katineung manah.
  3. Lamoen teu parĕng djeung toelis, daek paeh kalĕlĕban, oepami mangke rama teh, teu panoedjoeweun ka kakang, daek soroh amoekan, bari dikaleng ditjijoem, sang poetri nagara Tjĕmpa.
  4. Rahaden Pandji ngalahir, njai saha nja djĕnĕngan, kakang kaliwat naros teh, ngawalon sang poetri Tjĕmpa, koering Andajaningrat, oemoer limawĕlas taoen, koering poetra ti pawarang.
  5. Djeung deuina djisim koering, reja radja noe ngalamar, mawa doenja-brana gĕde, koe rama hanteu ditampa, tina koering teu soeka, reja poetra ratoe bĕndoe, ngalamarna meunang wirang.
  6. Koering teu soeroep djeung ati, ka noe geus datang ngalamar, kakara ajeuna bae, soeroep reudjeung lĕlĕmboetan, ki Djanggali Djanggala, nabeuh kelek tjĕprat-tjĕproet, pokna dalah bagdja oerang.
  7. Geus boga djoeragan istri, pentaäneun baranghakan, reudjeung pentaäneun bako, ki Daheng goemoedjĕng ngeunah, maneh mah taja lian, ngan soepaja seubeuh njatoe, hanteu mikir di soesahna.
  8. Bĕnĕrna koedoe kapikir, tambah rawataneun awak, tambah djoeragan awewe, tangtoe oerang tambah soesah, Djanggali ngawalonan, kadjeun dapon seubeuh njatoe, hese tjape dibelaän.
  9. Ti dinja rahaden moelih, ngiringkeun Andajaningrat, angkat lalaoenan bae, wantoening djeung istri menak, tara
[ 33 ]

    toeman badarat, geus peuting soemping ka lĕmboer, waktoena sareureuh boedak.

  1. Kaget aki djoeroetani, nini dangdan kadaharan, hanteu lila ĕnggeus entep, sor sisihan pamasangan, aki naroskeun warta, djeung deui di mana nimoe, eta poetri geulis pisan.
  2. Reudjeung deui tadi aki, meunang parentah idĕran, ratoe kasoesahan gĕde, poetrana dibawa minggat, koe ki mantri panglima, sorati gadjah sang ratoe, dibawa noenggangan gadjah.
  3. Saha-saha anoe manggih, atawa meunangkeun inja, didjĕnĕngkeun praboe Anom, dileler dajeuh sabeulah, djeung deui poetri teja, dipasihkeun ka noe nimoe, kitoe tjatoer oendang-oendang.
  4. Ari pangintĕn poen aki, soegan ijeu poetri radja, anoe dibawa minggat teh, ngawalon rahaden poetra, nja poegoeh ijeu pisan, malah noe mawa ditiroek, djeung gadjahna dipaehan.
  5. Matoer deui djoeroetani, lamoen rĕmpoeg reudjeung manah, nji poetri sanggakeun tereh, montong rek dilila-lila, karana kangdjĕng radja, wartosna ajeuna ngangloeh, kaedanan koe poetrana.
  6. Nangis reudjeung Prameswari, hanteu leueut hanteu dahar, rahaden Pandji ngawalon, kaoela soemĕdja pisan, njanggakeun ka sangradja, tapi mowal goeroenggoesoeh, ngeureunan tjape sakĕdap.
  7. Kira meunang tiloe peuting, ngandjrĕk di dijeu heulaän, di mana geus rada aso, meureun marĕk ka nagara, djeung tatjan tĕrang pisan, nagara boemina ratoe, ti dijeu sabraha anggang.
  8. Ngawalon ki Djoeroe tani, lamoen indit sabraj beurang, sarta lamoen leumpang djongdjon, wantji sareupna ge datang, sigĕgkeun raden poetra, djeung poetri aja di lĕmboer, kotjapkeun sangratoe Tjĕmpa.
  9. Hanteu eureun-eureun nangis, tina njaäh ka poetrana, Prameswari kitoe keneh, hanteu sare hanteu dahar, taja noe
[ 34 ]

    dipitjangtjam, ngan poetra noe dipisaoer, noe moesna dibawa minggat.

  1. Radja nimbalan ka patih, he patih ajeuna geuwat, oetarakeun nakol bĕnde, noelis soerat oendang-oendang, saha-saha noe bisa, nimoekeun Andajaningroem, digandjar dajeuh sabeulah.
  2. Sarta reudjeung njai poetri, toeloej dilelerkeun pisan, didjadikeun Praboe anom, marentah sabeulah Tjempa, sarta diangkĕn poetra, digadang ngaganti ratoe, djangdji kami mowal tjidra.
  3. Kipatih seug njĕmbah pamit, kaloewar ngĕmban timbalan, ĕnggeus kaembarkeun kabeh, satrija mantri ponggawa, pada pasalĕbroengan, los ka koelon djoeng ka kidoel, lar ka kaler bral ka wetan.
  4. Pada hajang meunang poetri, hajang djadi mantoe radja, toer djoemĕnĕng Praboe anom, ngareh sabeulah nagara, loembrah kabeh manoesa, paitna hanteu dioeroes, ngan manisna noe disĕdja.
  5. Toerta lamoeña papanggih, reudjeung ki mantri panglima, mowal aja anoe nĕgel, tina karosaäñana, bisa noempakan gadjah, pangadjaran tanah Hindoe, lain lawaneun loemajan,
  6. Toeloej aja hidji mantri, ngaran ki Andakasoera, oelat palatat-polotot, boeringas sĕmoe tangginas, goedag-gidig ka wetan, njoesoel ponggawa noe ngĕntjoel, nitik lari tapak gadjah.
  7. Leumpang gantjang tjoekah-tjikih, leumpangna kaloenta-loenta, ngadjoegdjoeg kijara gĕde, kabĕnĕran pangnjoesoedna, bangke ĕnggeus kapĕndak, ki panglima geus ngaringkoek, djeung gadjah patoendjang-toendjang.
  8. Ki Andaka oelak-ilik, ngilikan poetri teu aja, toeloej malik-malik bangke, tetela raheut koe panah, toeloej Andakasoera, kĕbat bae neukleuk hoeloe, djeung neukteuk toelale gadjah.
  9. Didjingdjing dibawa balik, boga pimodaleun datang, loejah-lejeh djeung koemasep, hajang madjar bĕdas rosa, datangna ka paseban, molotot ngadjingdjing hoeloe, ngeupatkeun toelale gadjah.
[ 35 ]
  1. Pokna ijeu deuleu kami, mĕntas pĕrang djeung panglima di ditoe di leuweung ganggong, dikadek sapisan modar, tapi poetri teu aja, tjoba oendjoekeun ka ratoe, jen kaoela mĕntas pĕrang.
  2. Gantjang ngadeuheus ki patih, barĕng djeung Andakasoera, lajah-lejeh boedi daek, posongkol bade amprotan, bejakeun koe sorangan, sĕmoe teu ngagehan batoer, ijeu aing pangrosana.
  3. Leungeun katoehoe ngadjingdjing, hoeloena mantri panglima, ti kentja mawa toelale, sĕmoe ginding nanakĕran, njingkabkeun djalma reja, barang katingal koe ratoe, disambat dihijap-hijap.
  4. Sang ratoe gantjang ngalahir, he mantri Andakasoera, ngan mawa toelale bae, djeung babatok si panglima, mana ari poetrina, Andakasoera hoematoer, noen goesti poetri teu aja.
  5. Ngan ijeu bae kapanggih, abdi poen mantri panglima, koe abdi djĕkok dikadek, djeung gadjahna babar pisan, sang ratoe kapijoehan, ngaleheh diroeboeng-roeboeng, ngadangoe jen poetri taja.
  6. Kitoe deui Prameswari, ngadĕngek lĕs kapijoehan, ejar noe tjeurik di djĕro, tina ningalan ratoena, datang ka kapijoehan, para mantri tingsalĕgroek, pada nangisan ratoena.
  7. Sigĕgkeun noe keur prihatin, menak di nagara Tjĕmpa, kotjapkeun bakal panganten, Radja poetra Sokadana, sarĕng Andajaningrat, noe eukeur madjik di lĕmboer ajeuna keur raragĕman.
  8. Pirĕmpoegna djoeroetani, sae gantjang ka nagara, ngadeuheusan ka kadaton, njanggakeun sang poetri teja, geus tangtoe ditarima, djeung ladjĕng dianggo mantoe, kitoe pikir poen aki mah.
  9. Poetri njaoer bari nangis, pikir aki bĕnĕr pisan, njakitoe pikir koela ge, langkoeng sae enggal-enggal, marĕk ka kangdjĕng radja, tada teuing rama iboe, soekana ningali koela.
  10. Djeung ningali ka kang Pandji, tangtoe meureun roedjoek
[ 36 ]

    pisan, pantĕs djadi Praboe anom, oepama gagal manahna, hanteu dowa ka kakang, kawoela bae noe nanggoeng, lamoen datang ka kitoena.

  1. Kаwoela rek nĕwĕk diri, djeung deui kawoela soempah, lamoen daek ka noe sedjen, nadjan dipaksa koe rama, moegi oelah djamoega, doraka satoetoep oemoer, ngawalon raden nonoman.
  2. S I N O M.

  3. Меureun bae ajeuna mah, kitoe manah пjai poetri, sapĕrkara masih anjar, ditoeloeng tina balai, ĕnggeus lawas mah lali, mo eling satoengtoeng ramboet, kadoewa pĕrkarana, mangke lamoen ĕnggeus moekti, lali bae oeroet ajeuna masakat.
  4. Kitoe watĕking manoesa, pikirna sok gantjang lali, pitoeloeng anoe katoekang, babari leungit kalindih, paribasa ti aki, tjara halodo satahoen, lantis sakali hoedjan, kahadejan kitoe deui, leungit moesna ari manggih kagorengan.
  5. Ĕnggeus karasa koe kakang, pinjĕrijeun teuing ati, sanadjan moekti katjida, Praboe anom njakrawati, reja parĕkan sĕlir, ari njalindoeng ka gĕloeng, tangtoe djadi pribasa, njaoer raden radja poetri, ari kakang misaoer noe mowal-mowal.
  6. Араn ĕnggeus koering soempah, naroehkeun njawa djeung diri, koetan masih keneh koerang, soesah tĕmĕn diri koering, mesĕm rahaden Pandji, njai oelah toeloej bĕndoe, sakitoe soteh kakang, hanteu nangtoekeun ka njai, noe ditjatoer loembrah adating manoesa.
  7. Kі Djanggali ki Djanggala, ngagĕlĕndĕng bari djĕbi, tah ari kitoe koemaha, bongan sok katjida teuing, kawas lain ka istri, misaoer noe tatjan poegoeh, toeloej Djanggali haksa, ngabĕbĕrah пjai poetri, ĕnggeus hegar ajeuna goemoedjĕng soeka.
  8. Kі Daheng njĕmbah oendjoekan, noen ari pirĕmpoeg
[ 37 ]

    koering, manawi bahan kamanah, njĕratan heula ka goesti, ngoeningakeun nji poetri, ajeuna ĕnggeus rahajoe, tjaritakeun sadaja, beunang ngarĕboet ti mantri, koering bae noe njanggakeun eta soerat.

  1. Ngawalon sang Pandji poetra, eta adi koela ngiring, sae adi anoe mijang, njanggakeun sĕrat ka goesti, ngoeningakeun sang poetri, moegi sadaja kaoendjoek, tapi pan da koela, montong pioendjoek ka goesti, jen kawoela poetra Praboe Sokadana.
  2. Наtoerkeun poetra patihna, sabab bisi kaget teuing, moen disĕboet poetra radja, eta kitoe nja раngeling, poma oelah rek lali, Daheng Bramani ngawangsoel, koering ngestoekeun pisan, sapiwoeroek mowal lali, raden Pandii ladjĕng njĕrat dina lontar.
  3. Kіjeu oengĕl eta soerat, salinan ti basa kawi, ijeu sĕrat sarĕng sĕmbah, abdi gamparan poen Pandji, kondjoek ka kangdjĕng goesti, sang Praboe Тjĕmpa pinoendjoel, ratoe anoe wisesa, kontjara asih ka abdi, djisim koering noe bodo hatoer oeninga.
  4. Рĕrkawis poetra gamparan, koe djisim koering kapanggih, di tĕgal keur disangsara, koe noe djahil si banggali, nji poetri djĕrat-djĕrit, sasambat ka rama iboe, djisim koering teu tahan, bawaning watir ka poetri, toeloej bae di panah datang ka misan.
  5. Маlah sarĕng djeung gadjahna, rek bela dipanah deui, patina patoendjang-toendjang, toeloej dibantoen nji poetri, koe sim koering pribadi, ajeuna aja di lĕmboer, sarĕng taja kakirang, sakitoe pioendjoek koering, kabeh-kabeh sĕdja ngambangkeun ka kĕrsa.
  6. Sanggeus Pandji tamat njĕrat, dilelerkeun ka Вrаmani, toeloej ki Вrаmаni mangkat, goedag-gidig njoren badi, angkatna tjara boegis, dawеungna tjara malajoe, kalana Djaja drata, noe ditiroe kое Вrаmаni, gagantjangan katjatoerkeun ĕnggeus datang.
[ 38 ]
  1. Mijak djalma menta djalan, anoe kasorang njalingkir, radja Tjĕmpa eukeur lĕnggah, dideuheusan para mantri, kaget radja ningali, aja djalma goera-giroe, sang ratoe ngagoepajan. Bramani njĕmbah ka goesti, djeung njanggakeun sĕrat dina daoen lontar.
  2. Kalangkoeng kaget sang radja, barang njandak eta toelis, diilo ĕnggeus kamanah, koe hawaning soeka goesti, ngaosna bari nangis, jen poetri ĕnggeus karĕboet, koe oerang Sokadana, anakna kijai patih, radja Tjĕmpa gĕmĕt mariksakeunana.
  3. Dioendjoekeun sadajana, taja pisan anoe kari, koe ki Daheng badaratna, sang Praboe Tjĕmpa ngalahir, he patih geuwat indit, ngoempoelkeun dĕmang toemĕnggoeng, para mantri ponggawa, oelah aja anoe kari, oemboel-oemboel lawe rontek geura tata.
  4. Tandoe djoli djeung djampana, oerang mapagkeun nji poetri, ajeuna ijeu geus beunang, koe noe ngaran raden Pandji, anakna kijai patih, Sokadana noe ka poengkoer, ijeu noe mawa soerat, ngaraña Daheng Bramani, kijai patih kaloewar geus tata-tata.
  5. Radja geus njaoer pawarang, dipiwarang tjawis-tjawis, tĕtĕbah djeung kadaharan, njondongkeun poetra djeung poetri, garwana para mantri, djeung garwa para toemĕnggoeng, pada pasalĕbroengan, ka loewar ka djĕro deui, olah-olah sawareh anoe tĕtĕbah.
  6. Raden patih geus sadija, njadijakeun tandoe djoli, ngadadak njijeun karija, badawang reudjeung bĕbĕgig, kabeh ĕnggeus tarapti, geus pinoeh di aloen-aloen, radja Tjĕmpa ngandika, he maneh Daheng Bramani, "hade geura balik tiheula bebedja.
  7. Sang radja ĕnggeus nimbalan, nginditkeun tandoe djeung djoli, ki patih noe ditimbalan, mapagkeun poetra djeung poetri, kabeh ponggawa ngiring, ngabeuhi dĕmang toemĕnggoeng, kantoen Soera-andaka, toenggoe handapeun tjaringin, geus di belok doemeh ngabobodo radja.
[ 39 ]
  1. Geus indit iringanana, hisa noe natakeun baris, oераtjara pangheulana, noe manggoel toembak djeung tamsir, pandeuri aja deui, anoe mawa epok agoeng, lampit djeung tĕmpat loedah, koeda kosong deukeut djoli, dipajoengan rarahabna moeroeb moebja.
  2. Djoli moebjar di parada, dirijoeng koe para mantri, anoe ngagotong ditata, make badjoe tapta koening, tjalana pandji-pandji, oemboel-oemboelna mĕlĕngkoeng, beres lawe rontekna, bĕbĕgig heula pandeuri, badawangna pandeuri mawa kolewang.
  3. Рonggawa taroenggang koeda, patĕgĕp paginding-ginding, kawas ngarak karijaan, noe soerak asa kaindit, sora tarompet soeling, ngagoeroeh kĕndang djeung tamboer, ngoengkoeng sora berina, ramena kawanti-wanti, ngaleut ngeungkeuj ngĕmbat-ngĕmbat пjatang-pinang.
  4. Kаtjatoerkeun ĕnggeus dongkap, ka lĕmboer ki Djoeroe tani, para mantri djeung ponggawa, kijai patih ĕnggeus tjalik, di bale Dioeroetani, djeung raden Pandji geus tĕроеng, raden patih ngandika, paman manggoel dawoeh goesti, dipiwarang mapag poetri djeung adjĕngan.
  5. Аri timbalan sang radja, poma oelah teu kairing, radja bakal malĕs trima, bareto radja geus djangdji, saha noe meunang poetri, digandjar didjoengdjoeng loenggoeh, tаmра dajeuh sabeulah, sarta migarwa nji poetri, didjĕnĕngkeun Praboe anom mantoe radja.
  6. Raden Pandji ngawalonan, sad kawoela sĕdja ngiring, tapi pĕrkawis gandjaran, sad kawoela hanteu nagih, kari koemaha goesti, ngambangkeun kĕrsa noe agoeng, ladjĕng sang Рandji dangdan, panganggo поe leuwih-leuwih, santĕn lĕlĕb noe nganggo radja kapoetran.
  7. Sindjang herang dibanjoemas, tarĕtĕр nila widoeri, djamang tarate patoempang, ditaboer diadoe manis, makoeta tingkarĕtip, ditaretes intĕn moeroeb, makoeta sri ragawa, ratoe agoeng pantjawati, angkeng Iĕngkeh manisna matak kabita.
[ 40 ]

D A N G D A N G G O E L A.

  1. Raden poetri ĕnggeus nganggo deui, sindjang songket dibĕnten kantjana, ditaretes intĕn objor, djamang tarate moeroeb, noe ditiroe poetri Mantili, sigĕr kantjana moelja, ditaretes mantjoer, geulis lain kaoelinan, pantĕs pisan ngarendeng poetra djeung poetri, kawas Rama djeung Sinta.
  2. Kі Djanggala sarta ki Djanggali, gogoleran nĕgĕskeun djoeragan, ngarendeng geulis djeung kasep, rahaden patih njaoer, geus meudjeuhna soemangga nitih, nji poetri djeung ki poetra, dina djoli hoeroeng, ladjĕng sang poetri sang poetra, nitih djoli gĕr soerak sarta doer bĕdil, mangkat iring-iringan.
  3. Sĕsĕk djĕdjĕl awewe lalaki, anoe nongton nakleuk di tĕgalan, geus pinoeh di djalan gĕde, katjarita geus tjoendoek, ka djĕro koeta toengtoengna baris, radja ĕnggeus sadija, karsa naoer kaoel, ngamparkeun boweh djeung sindjang, tina watĕs babantjong ka djĕro poeri, diamparan koe sindjang.
  4. Тatabeuhan geus asa kaindit, topeng ronggeng sarta bangbarongan, parĕboet djalma noe nongton, aja noe sili toemboek, tina hajang tĕgĕs ka poetri, ngarendeng djeung rakana, dina djoli aloes, bari pada dikĕрĕtan, kikis reuntas koe noe nongton anoe geulis, hanteu beunang ditjaram.
  5. Kаtjatoerkeun soemping ka sitinggil, ladjeung loengsoer koedoe angkat njatjat, ngadampal boweh djeung poleng, dipapag para iboe, diiringkeun koe para bibi, ditjandak para raka, dirijoeng koe baboe, radja loengsoer djeung garwana, mapag poetra ngarawoe barina nangis, raden Pandji ditjandak.
  6. Ditjalikeun poetra reudjeung poetri, diamparan pramedani moelja, pra mantri ngadjadjar mando, dĕmang rangga toemĕnggoeng, soesoegoehna ĕnggeus tarapti, raden geus barang-dahar, гorodan diloengsoer, walatra para ponggawa.
[ 41 ]

    pada dahar sarta djeung Daheng Bramani, Djanggali djeung Djanggala.

  1. Kаngdjĕng radja ngalahir ka Pandji, he ki Pandji soekoer bagdja ama, reh maneh noe meunangkeun teh, mĕnĕran ka noe soeroep, pantĕs djadi salaki poetri, ama sĕrah nagara sabeulah ka kidoel, sarta dipaparin pangkat, Praboe anom Ваhoedenda njakrawati, sabeulah boemi Тjĕmра.
  2. Para mantri geus pada njakseni, raden Pandii geus didjoengdjoeng lĕnggah, djoemĕnĕng sang Praboe anom, kalereun aloen-aloen, pakoewoña rahaden Pandji, disĕboetna Kаnoman, pawarta geus mashoer, Pangeran dewa Koesoemah, kakasihna geus kongas ka mana mĕndi, jen mantoe radja Тjĕmра.
  3. Djeung ki Daheng Вrаmаni disalin, disĕboetkeun ki demang Oerawan, didjĕnĕngkeun loerah gandek, ganti deui katjatoer, ki Andakasoera noe djoelig, karsana radja Тjĕmра, ajeuna digantoeng, sababna tjidra ka radja, Praboe anom toeloej пgadeuheus ka goesti, sangĕt panoenoehoeña.
  4. Моеgi aia pangampoentĕn goesti, eta ngaran poen Andakasoera, digantoengna oelah sijos, tatjan patoet digantoeng, lain dosa noe ngarah pati, siksana geus meudjeuhna, dibelok ge poetoes, lamoen sijos digantoengna, kakongaskeun radja Тjĕmpa koerang adil, ratoe moerka doersila.
  5. Radja sĕpoeh mesĕm sĕmoe manis, bari njaoer he Dewakoesoemah, noe matak rek digantoeng teh, koe sabab wani ngakoe, noe meunangkeun Banggali djoelig, sarta reudjeung gadjahna, tjatoerna wawadoel, dihiroepan oge noelar, tangtoe noeroen ka anak intjoena djoelig, wani bohong ka radja.
  6. Рraboe anom matoer lĕrĕs goesti, salahna mah poen Аndakasoera, tapi Iain hoekoem potong, mapan wadjib di ratoe, nimbang dosa gĕde djeung leutik, ratoe sĕpoeh ngandika, nja koemaha agoes, ama noeroet mowal moengpang, ki Andaka ĕпggeus dipiwarang bidjil, kaloewar ti siksaän.
  7. Didjangdjijan oelah kitoe deui, totobatan ki Andakasoera,
[ 42 ]
    bari tjeurik lĕwa-lĕwe, sang Praboe anom sĕpoeh, pada ĕnggeus moelih ka boemi, katjatoer ki Andaka, ti peuting geus ngĕntjoel, minggat sa anak bodjona, sĕdja ngoengsi ka nagara Gilingwĕsi, noe kongas ratoe gagah.
  1. Katjarita Andaka geus nĕpi, ka nagara Gilingwĕsi teja, reudjeung radjana geus amprok, ki Andaka wawadoel, poerwa koering marĕk ka goesti, sĕdja hatoer oeninga, sarehna sang praboe, ratoe di nagara Тjĕmpa, geus kagoengan mantoe asalna pangarit, koering langkoeng teu soeka.
  2. Langkoeng watir ningali sang poetri, anoe geulis meunang koeritjakan, handjakal koe lĕnggik koneng, koering langkoeng panoedjoe, ka gamparan toenggal sa bеusi, djeung saroewa hadena, pada asal ratoe, praboe Gilingwĕsi soeka, еukeur hojong kagoengan pawarang geulis, sarta rĕmĕn ngalamar.
  3. Kа nagara Тjĕmpa teu ditampi, djadi radja bĕndoena katjida, njaoer barina molotot, si radja Тjĕmpa boeroeng, milih-milih njijar noe leuwih, ari toengtoengna meunang, minantoe pananggoeng, kami radja gagah rosa, soegih doenja tapi ngalamar ditampik, si radja koerang adjar.
  4. Тoeloej radja nimbalan ka patih, maneh geuwat ngoempoelkeun gagaman, boedalkeun isoekan bae, noedjое арĕsing satroe, mowal gagal diboerak-barik, minantoe radja Тjĕmра, matana ditiroek, poetrina dibawa poelang, adoeh bijoeng si geulis kadeuleu teuing, moestika pagoelingan.
  5. Katjatoerkeun isoek geus tarapti, baris boedal koeda rawoeh gadjah, lampahna digĕlĕk boe, hajang geura patĕроеng, djeung noe geulis kawanti-wanti, patihna ngatoeranan, goesti oelah roesoeh, sim koering watir koe balad, tjilakana kabawa koe poetri geulis, gamparan kanijaja.
  6. Раpаitna kabeh pada tampi, mamanisna ngan woengkoel gamparan, toer istri mah reja keneh, lamoen gamparan kitoe, djadi asoep wangsalan sindir, oepama njoö oraj, ngaheureujan
[ 43 ]

    maoeng, rĕsĕpna hanteu sapira, papaitna ngabinasakeun ka diri, bidjil njawa ti badan.

  1. Radja bĕndoe njandak gada beusi; bari njaoer he patih tjampĕlak, sija ajeuna ge kodjor, ki patih nĕda maloem, teu dimanah ladjĕng digitik, keuna kana sirahna, gĕtihna tjoer ngoetjoer, polo bidjil oelaweran, sarta njaoer tah kitoe noe koemawani, malangan karĕp radja.
  2. Aja hidji doeloerna ki patih, djadi mantri ngaran ki Soedarma, ninggal doeloerna geus maot, njaähna sakalangkoeng, nijat ngamoek tapi teu djadi, boga pikir rangkĕpan, mowal hade ngamoek, hade api-api soeka, mangke bae mangsa satĕngahing djoerit, malik ngamoek djoeragan.
  3. Katjarita praboe Gilingwĕsi, ĕnggeus djĕngkar, djeung sakabeh balad, ngagoeroeh di gĕlĕk bae, dongkap ka sisi laoet, djeung sakabeh balad pradjoerit, radja geus nitih kapal, parahoena aloes, balad geus naek ka kapal, djoemblah kabeh sapoeloeh kapal pradjoerit, handjat djangkar ber lajar.
  4. Kapal gantjang tina meunang angin, sakĕdapan darat teu katingal, gantjangna noe mangoen tjrijos, poelo Tjĕmpa ngalamoek, hanteu lila radja geus soemping, ka palaboewan Tjĕmpa, baladna teu kantoen, laboeh djangkar goeloeng lajar, nitih sampan sri mah radja Gilingwĕsi, ĕnggeus soemping ka darat.
  5. Masangrahan di sisi basisir, tata baris oerang palaboewan, maroeboes ngoengsi ka benteng, imah ditinggal soewoeng, balad-balad ti Gilingwĕsi, kabeh pada ngarajah, imahna dihoeroe, seuneu hoeroeng moentab-moentab, katjarita djalma-djalma anoe ngoengsi, geus dongkap ka nagara.
  6. Laloempatan ngadjoegdjoeg djro poeri, geus oendjoekan jen aja karaman, praboe sĕpoeh nganggo-nganggo, ladjĕng miwarang njaoer, Praboe anom ka djĕro poeri, teu lila ĕnggeus dongkap, radja sĕpoeh njaoer, he anak Dewakoesoemah, geura dangdan aja radja Gilingwĕsi, ngaroeroeg nangtang pĕrang.
[ 44 ]
  1. Praboe anom ngalahir ka patih, bapa patih geura dangdan-dangdan, koempoelkeun pardjoerit kabeh, oerang nĕmonan moesoeh, para mantri masing tarapti, ponggawa sing sadija, toemĕnggoeng sing oeroes, dĕmang rangga masing tata, hajoe boedal da geus adatna lalaki, oelah moendoer da menak.
  2. D O E R M A.

  3. Praboe anom njĕmbah pamitan ka rama, moelih heula ka boemi, timbalan sang radja, raden anak si bapa, poma masing ati-ati, oelah rek weja, karana moesoeh sakti.
  4. Praboe anom ngawalon djijad gamparan, nadjan bedjana sakti, koering teu pertjaja, karana satĕmĕña, djalma taja anoe sakti, ngan goesti Аĺah, wondening kongas wani.
  5. Kоеring oge wani hanteu pisan gila, pada saoerang wani, sarĕng ratoe tjidra, ngoembar napsoe sorangan, ladjĕng bari njĕmbah pamit, kotjapkeun dongkap, Praboe anon ka boemi.
  6. Dipapagkeun koe garwa tĕpi ka lawang, ratoe ajoe ngalahir, he raka раngeran, aja moesoeh ti mana, raka ngawalon ka raji, keur bedjana mah, moesoeh ti Gilingwĕsi.
  7. Saoer poetri gawe si Andakasoera, ngoengsi ka Gilingwĕsi, meureun bae panas, nanjaän teu ditampa, rakana mesĕm ngalahir, koetan ngalamar, hajangeun ka noe geulis.
  8. Lamoen kakang noe eleh njai kabandang, raji mesĕm djeung njiwit, sangeuk teuing koela, kabojong koe noe edan, anggoer mĕnding nĕwĕk diri, djeung kabojong mah, koe radja Gilingwĕsi.
  9. Praboe anom nganggo noe araloes pisan, lantjingan pandji-pandji, sindjang prang koesoemah, makoeta intĕn moelia, tarĕtĕp djoemantĕn adi, njoengkĕlang ladrang, taretes intĕn boemi.
[ 45 ]
  1. Tingkaritjeup intĕn noe dina makoeta, koe rajina ditilik, bari kahatoeran, tajoh mo manggih pantar, noe kasep lampanjat lĕnggik, tjara ijeu mah, dewa djoengdjoenan koering.
  2. Toeloej djĕngkar Praboe anom sabaladna, nitihan koeda gambir, rarahab sakĕlat, kadali andong dada, apoes boentoet sanggawĕdi, salaka moebjar, goemilap katingali.
  3. Mamandapan koeda njirig djodjogedan, kawas Samba pradjoerit, dirijoeng koe toembak, pradjoerit sĕsĕliran, dipadjĕngan gilap koening, kapangeranan, oepatjara ngahapit.
  4. Di pajoeneun rahaden dĕmang Oerawan, ki Djanggala Djanggali, poengkoereun pangeran, taroempak koeda djangdjan, koeda djogdjrog bragbrag-brigbrig, bari sesepak, Djanggali djĕrat-djĕrit.
  5. Katjatoerkeun geus dongkap ka palaboewan, geus pada tata baris, moesoeh reudjeung lawan, ĕnggeus adoe hareupan, ngadĕngdĕng sisi basisir, rame soerakna, djĕdoer marjĕm djeung bĕdil.
  6. Awang-awang powek koe haseup sondawa, pradjoerit pada wani, pada ngamoek rampak, ngadoe pĕdang djeung toembak, sora gadjah tingdjarĕrit, gilapna pĕdang, matak serab ningali.
  7. Rame prangna tjampoeh moesoeh reudjeung lawan, rame sili tampiling, reudjeung sili doepak, aja noe sili toembak, sili djĕdjĕk sili biti, bangke patoempang, kawas babadan patjing-
  8. Oerang Tjĕmpa ngamoekna kaliwat-liwat, taja noe njĕboet miris, madjoe ngamoek nĕngah, kawas banteng bajangan, balad oerang Gilingwĕsi, geus kawalahan, laloempat mitjeun kĕris.
  9. Praboe anom tangginas njambĕti koeda, djeung ngabajoekeun baris, ki dĕmang Oerawan, sabaladna tangginas, moro oerang Gilingwĕsi, rame noe soerak, disĕdĕk ka basisir.
  10. Radja Gilingwĕsi rek nitihan sampan, geus pisah djeung pradjoerit, ki mantri Soedarma, doeloerna patih teja, ajeuna rek malĕs pati, ka sang radjana, Soedarma matĕk keris.
[ 46 ]
  1. Ditĕwĕkeun ka radja kana dadana, ngagĕro bari tjeurik, sambat naon dosa, diwangsoel koe Soedarma, sija ratoe hanteu adil, ngoembar amarah, mawa tjilaka koering.
  2. Doeloer aing ngingĕtan teu ditarima, anggoer dibalĕs pati, ajeuna karasa, aing rek nagih hoetang, tampanan oelah rek gingsir, radja sakarat, ngoetah-ngoetahkeun gĕtih.
  3. Katingali koe pangeran Dewakoesoemah, Praboe anom ngalahir, maneh oerang mana, wani maehan radja, ngawalon Soedarma mantri, soemoehoen priksa, abdi ti Gilingwĕsi.
  4. Poerwa koering koemawani nĕwĕk radja, sĕdja malĕskeun pati, ratoe langkoeng tjidra, nganijaja abdina, doeloer koering djadi patih, tina nĕmahan, ngahatoerkeun wawadi.
  5. Teu ditampi anggoer djĕdak dipaehan, ratoe taja kaasih, djeung ngoembar napsoena, kadjeun tjilaka balad, sok moen andjeun soeka ati, salalamina, lampah teu kanti boedi.
  6. K I N A N T I.

  7. Sang Dewakoesoemah njaoer, koemaha lampahna deui, tjoba maneh tjatjarita, oelah koerang oelah leuwih, tetelakeun saĕnjana, lampah radja Gilingwĕsi.
  8. Ki mantri Soedarma matoer, lamoen simkoering pribadi, tjatjarijos ka gamparan, taja batoer djadi saksi, gamparan mowal pĕrtjaja, reja batoer taja boekti.
  9. Manawi gamparan rĕmpoeg, koering njijar heula saksi, rek ngoempoelkeun batoer heula, mantri-mantri anoe njingkir, kabeh oge meureun soeka, radjana dihoekoem pati.
  10. Katjarita geus karoempoel, mantri-mantri Gilingwĕsi, sesana noe paĕh pĕrang, ti leuweung pada baridjil, sakabehna ĕnggeus tobat, njaranggakeun pati hoerip.
[ 47 ]
  1. Toeloej ki Soedarma ladjoe, malikan pioendjoek tadi njaritakeun lampah radja, nganijaja koering-koering, kijeu pokna ki Soedarma, noen soemoeboen priksa goesti.
  2. Lampahna radja kapoengkoer, estoe hanteu reudjeung boedi, ngadolos bae kĕrsana, hanteu njaäh ka noe leutik, oenggal tahoen raramejan, malar panjamboengan koering.
  3. Ari karĕsĕpna ngadoe, ngadoe hajam ngadoe djangkrik, ngadoe poejoeh ngadoe moentjang, toempangna ngadjĕpit koering, sakapeung ngadoe djĕlĕma, dioedjoengkeun sili gitik.
  4. Atawa disina gĕloet, noe teu wani koedoe wani, reja djalma anoe misan, noe teu daek ditampiling, sĕlang-sĕlang ngadoe djalma, ngadoe mejong reudjeung moending.
  5. Sakapeung badak djeung lĕmboe, sapi moending ti noe leutik, radja ngan woengkoel soekana, roegi tjapena mah koering, moen radja ngewa ka djalma, taja deui ngan dipeuntjit.
  6. Radja teu kagoengan hoekoem, dosa gĕde dosa leutik, taja dĕngda taja siksa, moen salah koedoe dipeuntjit, djeung lamoen aja ponggawa, anoe gadoeh bodjo geulis.
  7. Bodjona toeloej dipoendoet. salakina dinjĕnjĕri, moen ngalawan dipaehan, poerwa ajeuna sim koering, wani maehan ka radja, sabab radja hanteu adil.
  8. Lamoen radja awet hiroep, tangtoe tjatjah awet miskin, sang Praboe anom ngandika, he sakabeh para mantri, eta omong ki Soedarma, koemaha ĕnja kasaksi.
  9. Jen lampah radja teh kitoe, rĕsĕp nganijaja abdi, sakabeh barĕng oendjoekan, pra ponggawa Gilingwĕsi, lĕrĕs hatoer poen Soedarma, sadajana oge boekti.
  10. Asa diratoewan maoeng, kabeukina daging gĕtih, ambĕkna sakoelit bawang, taja pisan hoekoem adil, sakĕtjap kadoewa gobang, dĕngkina taja noe nanding.
  11. Karĕsĕpna ngan digoenggoeng, disĕboet kasep djeung soegih, dipadjar pintĕr binĕkas, ditoeding wĕdoek djeung sakti, ditjawad wani maehan, tara tampi ka wawadi.
[ 48 ]
  1. Тага пgagoegoe pitoetoer, ajeuna nĕрi ka djangdji, meunang hoekoem dorakana, koering langkoeng soeka ati, ijeu poen mantri Soedarma, eta mantri lantip boedi.
  2. Еta sadajana kitoe, hatoer mantri Gilingwĕsi, pada ngagorengkeun radja, mihade Soedarma mantri, ngandika Dewakoesoemah, ka ponggawa Gilingwĕsi.
  3. Еta lampah radja kitoe, naha mana hanteu tadi, diloengsoer djĕnĕngna radja, lamoen geus telela dĕngki, ajeuna mah kadongdora, dina waktoe eleh djoerit.
  4. Рonggawana pada matoer, tina kabodowan koering, soegan teh radja kawasa, sakti manggoelang-manggoeling, mowal teurak koe pakarang, poerwa taja anoe wani.
  5. Sang Dewakoesoemah njaoer, he ponggawa Gilingwĕsi, doemeh geus teu boga radja, koemaha nja tineung pikir, kami menta sawaktjana, anoe tĕroes reudjeung atі.
  6. Рага mantri kabeh matoer, djisim koering sĕdja ngabdi, koemawoela ka gamparan, tapi manawi katampi, ijeu poen mantri Soedarma, piratoeweun Gilingwĕsi.
  7. Раtoet oge djadi ratoe, tina wantĕr lantip boedi, sarta aja ge toeroenan, boejoet radja Gilingwĕsi, anoe djĕnĕng ti baheula, kawĕntarkeun langkoeng ngadil.
  8. Маlah mandar bae noeroen, sarĕng kadoewa pĕrkawis, reh ijeu anoe maehan, ngaleungitkeun ratoe dĕngki, patoet minangka gandjaran, sakitoe pioendjoek koering.
  9. Praboe anom toeloei njaoer, гĕmpoeg kitoe karĕр kami, tatapi ari ajeuna, montong ganjang-gantjang balik, oerang ka nagara heula, pada oerang soeka atі.
  10. Рага ponggawa ngawangsoel, soemangga abdi ngariring, hanteu sĕdja pisan baha, sakĕrsa-kĕrsana goesti, sadaja mowal dipoengpang, sĕdja ngesto lahir batin.
  11. Sanggeus kitoe pada soedjoed, para mantri Gilingwĕsi, пjanggakeun tanda ngawoela, soempah bisi gindi pikir, siwah nijat bĕlang bajah, koe Praboe anom ditampi.
[ 49 ]
  1. Sang Dewakoesoemah njaoer, miwarang nginditkeun baris, toeloej djĕngkar sadajana, kabeh mantri Gilingwĕsi, senapatina Soedarma, ngahoeroen toembak djeung kĕris.
  2. Djadi tandana jen taloek, dibojong sab eleh djoerit, pangeran Dewakoesoemah, miwarang sahidji mantri, tiheula hatoer oeninga, ka rama jen meunang djoerit.
  3. Di djalan hanteu katjatoer, oetoesan ka dajeuh nĕpi, radja sĕpoeh geus oeninga, jen kang poetra meunang djoerit, toeloej radja sĕpoeh dangdan, rek mapagkeun mantoe soemping.
  4. Toenggang gadjah gĕde loehoer, palisirna soetra wilis, gĕntana salaka moebjar, dipadjĕngan gilap koening, di pajoen oepatjarana, kapĕtĕngan beunang milih.
  5. Oemboel-oemboelna mĕlĕngkoeng, ngelebet katĕbak angin, ngĕrab-ngĕrab banderana, ngagoeroeh tamboer djeung beri, tabeuh ninggang wirahmana, sĕngek tarompet djeung soeling.
  6. Di poengkoereun radja sĕpoeh, poetra istri nitih djoli, ratoe mas Andajaningral, ngiring mapak raka soemping, djeung garwa pada ponggawa, pada ngiring raden poetri.
  7. Waktoena sabidjil lajoeng, kĕtir bawa rasa pikir, sang poetri Andajaningrat, aja geulis kawanti-wanti, ampoeh loenggoeh jasa dangdan, njoeroepkeun soepaja rasmi.
  8. Gĕloengna noempoek pasoesoen, toesoek-gĕloeng intĕn boemi, gilĕr-gilĕr kaänginan, kasorat koe lajoeng koening, siga bentang kabeurangan, matak gijoeng noe ningali.
  9. Waosna goela-goemantoeng, djaridjina moetjoek eurih, kadoe sapasi pipina, asta ngagondewa bĕntik, roembahna boelan toemanggal, sĕdĕng dĕdĕgna raspati.
  10. Ampoeh loenggoeh sarta limpoeh, sareseh djeung manis boedi, leuleus keupat jasa angkat, tjapetang djeung lantip soerti, jasa ngalap-ngalap manah, istoening moestika poetri.
  11. Katjatoerkeun geus patĕpoeng, djeung rakana meuntas djoerit, praboe anom enggal-enggal, loengsoer mamandapan
[ 50 ]

    isin, sampojong ladjeung ngoendjoengan, ka rama njanggakeun bakti.

  1. Soekaboengah radja sĕpoeh, ka mantoe kalangkoeng moedji, ngandika ama tarima, anak ama taja deui, ngan agoes bae sorangan, noe baris ngaganti linggih.
  2. Koemaha bedjana agoes, mana radja Gilingwĕsi, Praboe anom matoer njĕmbah, soemoehoen pariksa goesti, balad Gilingwĕsi kalah, radjana loempat ngabĕtjis.
  3. Barang rek mantjal parahoe, dikadek koe hidji mantri, wasta poen mantri Soedarma, doeloer patih Gilingwĕsi, noe matak wani maehan, sĕdjana malĕskean pati.
  4. Sadajana sami matoer, mantri-mantri Gilingwĕsi, pada miawon ratoena, disĕboetkeun djoelig dĕngki, djeung sami moedji Soedarma, disĕboetkeun lantip boedi.
  5. Nijat koering lamoen rĕmpoeg, sarĕng kĕrsa kangdjĕng goesti, eta poen mantri Soedarma, damĕl radja Gilingwĕsi, malak mandar djadi ardja, ngalampahkeun hoekoem adil.
  6. Kangdjĕng radja sĕpoeh njaoer, agoes oelah gantjang teuing, timbang samemeh kasorang, pikir samemeh ngadjadi, bisi handjakal mangkena, ngadjoengdjoeng kaboeroe asih.
  7. Ari geus ngadjadi ratoe, soesah ngaloengsoerkeun deui, leuwih hade djadjal heula, djĕnĕngkeun bae papatih, mangke moen taja tjatjadna, djadikeun ratoe sakali.
  8. Pamikir ama sakitoe, eta ki Soedarma mantri, pangnĕlasañana radja, ama teu soeroep djeung pikir, rasa ama eta salah, mantri tega pati goesti.
  9. Bĕnĕrna mah lain kitoe, lamoan aja ratoe djahil, bareto di nagarana, koempoelkeun ponggawa mantri, rĕmpoegkeun masing moepakat, pikir heula masing gilig.
  10. Moen ratoe lampahna ladjoe, teu jasa ngeureunan djahil, loengsoer padjĕnĕngañana, milih anoe bakal adil, saderek atawa poeta, ratoe teu wĕnang dipeuntjit.
[ 51 ]
  1. Tapi ajeuna geus kitoe, teu aja piliheun deui, kadjaba ti ki Soedarma, noe ngoeroes di Gilingwĕsi, dosana nĕlasan radja, timbang tina njĕri ati.
  2. Rĕmpoeg koe agoes didjoengdjoeng, djadikeun heula papatih, lamoen geus njata hadena, djĕnĕngkeun ratoe sakali, Praboe anom ngawalonan, djisim koering sĕdja ngiring.
  3. Dawoeh gamparan sakitoe, lĕrĕs hanteu pisan sisip, ajeuna mah poen Soedarma, djĕnĕngkeun bae papatih, mapatah kabeh ponggawa, di nagara Gilingwĕsi.
  4. Mangke ĕngeus meunang nahoen, awon saena katjiri, moen sae djadikeun radja, moen awon nejangan deui, noe bade didamĕl radja, di nagara Gilingwĕsi.
  5. Djisim koering langkoeng rĕmpoeg, salahir gamparan tadi, malah lamoen karoedjoekan, soemangga ngadamĕl djangdji, sahidji adat nagara, minangka toelak balahi.
  6. Soepaja loeloes rahajoe, radja pageuh njĕpĕng adil, wilajat estoe abdina, lamoen radja hanteu adil, kira ngaroeksak nagara, ponggawa koedoe badami.
  7. Hatoeranan oelah kitoe, lamoen maksa bae dĕngki, nja koedoe loengsoer djĕnĕngna, milih ahlina noe wadjib, oelah datang ka nĕlasan, abdi ngarah pati goesti.
  8. Eta adat hanteu patoet, boekti tjara Gilingwĕsi, tina teu aja atoeran, ratoe ditilas koe mantri, raos koering pĕrloe pisan, mikir panoelak balahi.
  9. Eukeur baris anak poetoe, singĕtna koering pribadi, moen geus aja oendang-oendang, njaho kawadjiban diri, radja sĕpoeh langkoeng soeka, ngalahir rĕmpoeg teh teuing.
  10. Sang poetri Andaja moendjoeng, mesĕmna pinoeh koe manis, ratoening madoe sĕmoena, kareueut anoe ningali, soemawoña tjarogena, djeung seungitna ngadalingding.
  11. Lain aroem minjak roeoem, lain seungit kĕmbang gambir, ganda bidjil ti salira, seungit bidjil ti djasmani, mĕlĕbĕr angin-anginan, baoe kalĕmba kastori.
[ 52 ]
  1. Kаngdjeung Radja sĕроеh njaoer, geus meudjeuhna hajoe indit, ĕnggeus kitoe bral djalĕngkar, nji poetri geus nitih djoli, praboe sĕpoeh toenggang gadjah, angkatna heulaeun djoli.
  2. Sang Praboe anom di poengkoer, ngiringkeun sang radja poetri, toenggang koeda mamandapan, koeda malang njirig-пjirig, narimbang sora gamĕlan, niroe rahaden Santjaki.
  3. Kаtjatoerkeun ĕnggeus tjoendoek, ngagoeroeh asa kaindit, tjloeng angkloengna doer bĕdilna, anoe nongton wara-wiri, laloempat pasĕlĕbroengan, kolot boedak menak koering.
  4. Раnon powе ĕnggeus soeroep, kaganti koe boelan bidjil, tanggal kalima wĕlasna, tjaäng teu asa ti peuting, marakbak kawas ti bеurang katambah koe damar lilin.
  5. Di mandapa geus karoempoel, toemĕnggoeng mantri bopati, marando adoe hareupan, oerang Тjĕmpa Gilingwĕsi, toeloej djĕboel soesoegoehna, dahar soeka-soeka atі.
  6. Sang Dewakoesoemah njaoer, he ajeuna bapa patih, isoekan karĕр kawoela, koedoe pada koempoel deui, oerang ngadjĕnĕngkeun teja, mangkoe boemi Gilingwĕsi.
  7. Kі Soedarma noe didjoengdjoeng, djadi patih Gilingwĕsi, patih Тjĕmра ngawalonan, soemangga sakĕrsa goesti, ti dinja toeloej baloebar, praboe doewanana moelih.
  8. ASMARANDANA.

  9. kasmaran anoe ningali, lampahna panganten anjar, pada maroelih ti djĕro, ka boemi karang kapoetran, diiring para menak, di poengkoereun broel ngagimboeng, angkat njorang kĕbon kĕmbang.
  10. Kĕmbang gambir djeung malati, sĕdĕр malĕm ros ermawar, katjapiring kĕmbang goelo, pĕlĕngkoeng kĕmbang tongkengna, hade atoeranana, binangkitna anoe ngatoer, niroe karang kadewatan.
[ 53 ]
  1. Kĕbon dibalaj dikikis, рĕрĕtetan warna-warna, balingbing djeung djĕгoek paseh, djĕroek bali djeung ramboetan, pasĕlang djeung poelasan, sisi kĕbon djĕгoek boetoen, kalapa poejoeh batoerna.
  2. Раla tjĕngkeh djĕroek mipis, matak rĕsĕр matak waas, ti dinja raden panganten, ngidĕr-ngidĕr djeung garwana, wantoening tjaäng boelan, pakaleng ajang-ajang goeng, ngidĕr-пgidĕr pakĕbonan.
  3. Теu atjan asoep ka boemi, niïskeun heula salira, matak loetjoe anoe nendjo, moelan bari sasaoeran, njarijoskeun ka garwa, lampah tadi pĕrang poepoeh, poetri soeka kahatoeran.
  4. Geus lila toeloej ka boemi, geus asoep ka pakoelĕman, lalangsena ĕnggeus ngeser, teu katjatoer di dinjana, ĕnggeus karoelĕm tibra, kotjapkeun eta tatamoe, balad Gilingwĕsi teja.
  5. Рondokna di raden patih, ari baladna noe reja, koemроеl di paseban kabeh, katjatoer deui isoekna, para mantri ponggawa, geus koempoel di aloen-aloen, marijĕm geus dieusijan.
  6. Тatabeuhan geus tarapti, adat ngadjĕnĕngkeun menak, toembak pajoeng koeda kosong, epok lampit padjĕng bawat, ngarijoeng di paseban, ngantos Praboe anom tjoendoek, mantri Soedarma geus dangdan.
  7. Nganggo tjara Gilingwĕsi, sĕdjakna tjara Malaka, panganggona songket kabeh, djeung disoelam warna-warna, direka kĕkĕmbangan, sĕgoetna tjara Malajoe, bosongotna tjara Dajak.
  8. Praboe anoem djĕboel soemping, dipadjĕngan gilap moebjar, anoe ngiring mantri anom, di poengkoer mawa poesaka, di pajoen oepatjara, soemping deui Praboe sĕроеh, geus tjaralik doewanana.
  9. Di mandapa tĕpas wangi, di bale palilinggihan, kidoelеun paseban gĕde, sang Praboe anom ngandika, he bapa patih Тjĕmpa, geura kadarijeu koempoel, tjandak ki mantri Soedarma.
  10. Kаbeh mantri Gilingwĕsi, oelah aja noe kaliwat, djeung
[ 54 ]

    sakabeh pгabot-prabot, paranti angkatan menak, lampit epok djeung toembak, kjahi patih njĕmbah matoer, soemangga kĕrsa gamparan.

  1. Kі patih natakeun mantri, dibawa ka palinggihan, sakabeh ĕnggeus ngaderes, hanteu pasĕlang loenggoehna, sapangkat-sapangkatna, toemĕnggoeng pada toemĕnggoeng, dĕmang baris pada dĕmang.
  2. Ngabeui pada ngabeui, rangga djadjar pada rangga, lengser beres pada lengser, mantri Soedarma di tĕngah, praboe anom ngandika, he sakabeh pra toemĕnggoeng, rangga dĕmang kandoeroewan.
  3. Ijeu ki Soedarma mantri, djadi patih noe mapatah, mantri Gilingwĕsi kabeh, poma pada koemawoela, djeung diganti djĕnĕngan, ditĕlahkeun koedoe sĕboet, kalana Soeraloedira.
  4. Вasa soera eta wani, loedira gĕtih tĕgĕsna, djalma leber koe wawanen, djeung toeloej dimakoetaän, tanda mangkoe nagara, sarta didjoengdjoeng ka loehoer, dibedakeun ti noe reja.
  5. Тjalik dina korsi gading, dikĕрĕlan koe parĕkan, ejar mantri noe ngawaloen, ngistrenan djoemĕnĕng menak, djĕdoer marjĕm disada, gĕr tatabeuhan ngagoeгoeh, para ponggawa ngoendjoengan.
  6. Soesoegoehna ĕnggeus bidjil, walatra sakabeh dahar, ĕnggeus kitoe boebar bae, patih Gilingwĕsi anjar, moelih ka pakoewoña, dipajoengan pajoeng agoeng, diiring epok lampitna.
  7. Тatjan kawidijan moelih, rek diwoeroek heula tata, tataning ngaheujeuk gawe, katjatoerkeun ĕпggeus lila, meunang satĕngah boelan, oenggal peuting sok diwoeroek, tataning mangkoe nagara.
  8. Dina peutingan rek moelih, ki patih Soeraloedira ngadeuheus ka Praboe anom, diiring koe ponggawana, sĕdjana rek pamitan, sarĕng namatkeun piwoeroek, woelang salamĕt nagara.
  9. Ditjalikeun dina korsi, ditjandak tjalik satata, ngandika
[ 55 ]

    sang Praboe anom, kakang patih wĕkas koela, poma oelah ditinggal, piwoeroek anoe kapoengkoer, malar salamĕt nagara.

  1. Меnak tjara sirah tjai, samangsa kiroeh sirahna, ka hilirna kiroeh bae, oepama ti girang herang, ka hilirna ge herang, djeung deui moenggoeh noe agoeng, indoeng bapa sanagara.
  2. Kоеdoe wĕlas koedoe asih, oelah bosĕnan miwĕdjang, koedoe kersa olok tombok, narekahkeun tjatjah-tjatjah, roegina mangke moeloeng, kaoentoengan dajeuk woewoeh, ana geus mamроеh tjatjahna.
  3. Noe djadi menak oepami, djalma anoe ngingoe koeda, koedoe gĕten djeung toelaten, soepaja lintoeh koedana, djadi tĕtĕр bĕdasna, ana koeda koerang njatoe, tangtoe hengker tanagana.
  4. Ngingoe koeda koerang hasil, ana koerang toelateña, ditoempakan tereh mopo, toengtoengna leumpang badarat, nja kitoe deui menak, lamoeña koerang hasil boemi, talikoer djadi koerang.
  5. Di menak wadjibna adil, ari harti adil eta, ngagandjar ka djalma hade, njiksa ka djalma noe salah, tapi sanadjan salah, njiksa oelah ngoembar napsoe, koedoe satimbang dosana.
  6. Reudjeung ari sarat adil, koedoe kĕrsa raragĕman, mirĕmpoeg lampah abdi teh, nimbang dosa djeung siksaän, ana koerang rĕmpoegna, njiksana sarta djeung napsoe, kaliwat tina dosana.
  7. Меnak-menak koedoe sĕngit, kana kalakoewan salah, tjara njĕret reudjeung maen, maling atawa maehan, eta opat prakara, tangtoe poepoetjoeking roesoeh, alamat nagara roeksak.
  8. Марап ĕnggeus aja boekti, radja Gilingwĕsi teja, salakoe lampahna goreng, moengkoer tina kahadejan, eta kitoe toengtoengna, dajeuh koesoet sarta roesoeh, poma kakang masing jatna.
  9. Раtіh anjar Gilingwĕsi, ngawalon barina njĕmbah, soemoehoen pisan kahartos, lĕrĕs sadawoeh gamparan, taja pisan loepoetna, ngan moegi aja pangestoe, simkoering wĕrat пoeroetan.
[ 56 ]
  1. Keur pasĕdjaän sim koering, didamĕl pisan toeladan, piwoeroek gamparan kabeh, sĕdja diestikeun pisan, Praboe anom ngandika, kakang soekoer lamoen kitoe, sing jasa njandĕt amarah.
  2. Oelah kena djadj goesti, tingkah sakawĕnang-wĕnang, ngadolos bae kahajang, lamoen kagoengan kasoekan, oelah noe matak soesah, ngoesoetkeun ka oerang lĕmboer, ngaroegikeun ka ponggawa.
  3. Ngarisikeun para mantri, koedoe saroewa meunangna, andjeun soeka koering atoh, tatapi hese katjida, kalampah radja-radja, napsoena anoe digoenggoeng, amarah noe diangonan.
  4. Kadjeun soesah anoe leutik, sok moen andjeun soeka manah, lamoen kitoe pĕtana teh, poepoetjoek nagara roeksak, eta moenggoeh di radja, moen hojong loeloes rahajoe, lampah kitoe disingkiran.
  5. Djeung deui moenggoeh di goesti, oelah koerang ngamanahan, misahkeun hade djeung goreng, koedoe masing bejak pisan, karana loembrah djalma, lamoen dipriksa koe ratoe, arang aja anoe waktja.
  6. Pioendjoekna sok dihalik, hidĕng disĕboetkeun bodas, tĕgĕsna sanadjan goreng, pioendjoekna sae pisan, eta kitoe loembrahna, ngalap soekamanah ratoe, hanteu ngingĕtkeun tĕmahna.
  7. Tapi lamoen ratoe soerti, manahna tĕgoeh laksana, teu beunang diolo-olo, abdina meureun prajatna, lamoeña dipariksa, sawaktjana kapioendjoek, bodas dihatoerkeun bodas.
  8. Hade goreng lampah abdi, bidjil ti watĕk radjana, moen radja rĕrĕs di olo, abdi bohong salawasna, salingkoeh sapandjangna. toengtoengna moenggoeh di ratoe, dibobodo saoemoerna.
  9. Matoer patih Gilingwĕsi, lĕrĕs pisan salahiran, adatna radja bareto, jaktos kitoe nanakĕran, dipalsoe salamina, malah basa rek ngaroeroeg, ngoempoelkeun heula ponggawa.
[ 57 ]
  1. Djoeroe bade djoeroe oendi, kebeh pada dipariksa, pikĕrsaeun ngaloeroeg teh, sadaja sami hatoeran, pada nangtoekeun meunang, geus katorah dina toendoek, apĕs moesoeh djaja oerang.
  2. Djoeroe bade djoeroe oendi, soemawon para ponggawa, pioendjoekna kitoe bae, pada ngaboeboengah manah, ngan poen lantjeuk sorangan, anoe nĕmahan ka ratoe, mondah pikir saĕnjana.
  3. Reudjeung deui masing eling, oepama aja ponggawa, karĕsĕpna sok migoreng, mioendjoek salah kantjanĕ, djeung mihade dirina, salah manehna dikandoeng, dosa batoerna didadar.
  4. Eta tanda djalma dĕngki, oelah pati dilindeukan, anggoer koedoe dipikapok, bisina mawa baroentak, reja radja tjilaka, lantaran tina ngagoegoe, pihatoer ponggawa tijidra.
  5. Moenggoeh di radja teh wadjib, sadija pakarang pĕrang, bĕdil toembak pĕdang pestol, baris ngaraksa nagara, tapi leuwih wadjibna, kagoengan rewang pirĕmpoeg, ponggawa anoe sampoerna.
  6. Nadjan reja toembak bĕdil, moen taja mantri oetama, nja tatjan sampoerna bae, pakarang teu bisa molah, lamoen hanteu koe djalma, nadjan djalma hanteu oeroes, lamoen hanteu koe atoeran.
  7. Anoe ngatoer eta boedi, beresna djeung kapintĕran, noe matak moenggoeh radja teh, koedoe kagoengan ponggawa, noe pintĕr bidjaksana, anoe poerah ngoeroes lakoe, soepaja reudjeung atoeran.
  8. Anoe tinggal tina boedi, tangtoe djadi kabeuratan, oepama padati bae, tjoba roedjad kikipingna, tangtoe tambah beuratna, tandaning atoeran koedoe, anoe beurat djadi hampang.
  9. Salijan ti dinja deui, naon-naon kalakoewan, atoeran soepaja enteng, noe matak moenggoeh di menak, koedoe ngamanah-manah, malar tjatjah enteng oentoeng, toengtoengna moekti di menak.
[ 58 ]
  1. Аri moenggoeh koering-koering, loembrahna pondok ingĕtan, mikir samaneheun bae, sakitoe ge pirang-pirang, sarta naon damĕlna, di nagara aja ratoe, lamoen teu ngoeroes abdina.
  2. S I N O M.

  3. Praboe anom keur miwĕdjang, kakang patih Gilingwĕsi, masing njaäh ka noe dagang, masing asih ka noe tani, lantaran dajeuh moekti, dagang djeung tani rahajoe, hanteu reja palangan, noe matak hanteu ngadjadi, reja-reja halangan lantaran menak.
  4. Тina reja teuing beja, soemawon tambah didjĕрit, moen radja koerang pariksa, dagang tani mowal moekti, kalampah noe geus boekti, reja noe ngadjoewal ratoe, ponggawa noe di handap, nambahan komara goesti, poendoet-pĕndĕt sadoewit tambah saoewang.
  5. Наnteu rek kĕгta nagara, reja rampog reja paling, koerang kĕntjĕng ngadjagana, eta djadi matak deui, halangan ka пое tani, ka noe dagang pon пjakitoe, kawĕntarkeun ka tatangga, jen di dinja reja paling, hanteu aja noe datang dagang ka dinja.
  6. Djadi tiïseun dajeuhna, taja djalma mawa ridiki, noe matak moenggoeh di radja, wadjib toelaten ka abdi, kabeh koedoe kaloris, soeka doekana koe ratoe, lĕmboerna koedoe tata, раkajana kitoe deui, sawah-sawah djeung рĕрĕlakan noe lijan.
  7. Djambe kawoeng djeung kalapa, doekoe manggoe djeung katjapi, sarta sadjaba ti dinja, naon anoe aja hasil, soepaja anoe leutik, saban tahoen tambah oentoeng, reudjeung ingon-ingonnan, domba ĕmbe sapi moending, sarta koeda koedoe digĕdekeun pisan.
  8. Didjeudjeuhkeun koe parentah, malar sarĕgĕp noe leutik, naon anoe djadi hama, koe menak koedoe dibasmi, sapĕrti adjag babi, boehaja badak djeung maoeng, bagong sarta
[ 59 ]
    djeung badak, hama pakaja noe leutik, kĕkĕbonan hoemah tipar diraroeksak.
  1. Меjong adjag djeung boehaja, eta djadi hama deui, ka ingon-ingon manoesa, malah ka djalma ge wani, noe matak ratoe wadjib, noemрĕs boehaja djeung maoeng, oeseupan garogolan, soepaja datang ka basmi, oelah aja haroengan noe tjotjoöwan.
  2. Reudjeung deui poma kakang, njijeun djalan wara-wiri, noe tĕroes ka dajeuh lijan, ĕkeur djalma wara-wiri, sili kiriman ridjki, sarta djaga oelah roesoeh, paling rampog djeung begal, soepaja santosa abdi, oelah aja haroengan noe dadagangan.
  3. Lamoen djalan reja begal, reja rampoeg reja paling, sasat hanteu aja djalan, noe ngaliwat hanteu wani, djeung oenggal-oenggal tjai, djijeun sasak anoe patoet, lamoen lĕga wahangan, eretan atawa rakit, soepajana teu soesah nое lalar liwat.
  4. Рatih Gilingwĕsi njĕmbah, noehoen sapangwoeroek goesti, sĕdja dilampahkeun pisan, mowal aja anoe kari, Praboe anom ngalahir, soekoer kakang lamoen kitoe, tatapi masing jatna, njanahan napsoe pribadi, reja-reja gogoda nое djadi menak.
  5. Тina moerba kawasana, taja noe ngoengkoelan deui, reja anoe djadi menak, asal asih hade boedi, ari geus djadi goesti, bidjil adat ngoembar napsoe, raosna katjĕmĕkan, loembak-limboek reja doewit, koe djĕlĕma disĕmbah koe sadjadjagat.
  6. Kitoe marga lantaraña, anoe matak gantjang lali, tapi teu sagala radja, anoe babarijan lali, ari noe lantip boedi, bеuki lila djadi ratoe, bеuki sae manahna, ngalampahkeun hoekoem adil, abdi-abdi sadaja diangkeun poetra.
  7. Рanĕda koela ka kakang, poma-poma oelah lali, oelah noeroet ka noe salah, nja niroe ka noe aradil, soepaja awet moekti, loeloes djadi wakil ratoe, djeung koela nĕda maäp, reh njanggakeun tĕmah-wadi, pirang-pirang moegi kakang masing rila.
  8. Noe matak ngahatoeranan, sijeun kakang hanteu adil, kawoela noe katĕmpoehan, miloe ngantjaja koering, sababna
[ 60 ]

    ĕnggeus boekti, kawoela ijeu noe nanggoeng, patih Soeraloedira, ngawalon soemoehoen goesti, moenggoeh abdi darma djadi wawajangan.

  1. Pangeran Dewakoesoemah, djeung ki patih Gilingwĕsi, paoengkoe-oengkoe doewaan, tjalik dina korsi gading, dongkap ka tĕngah wĕngi, misaoer elmoening ratoe, hempak para ponggawa, mantri-mantri Gilingwĕsi, soeka ati pisan ngoepingkeun piwĕdjang.
  2. Patih Gilingwĕsi njĕmbah, manawi paidin goesli, koering soemĕdja moendjoengan, sĕdja.boedal peuting-peuting, Praboe anom ngalahir, kakang mangga oerang moendjoeng, sarĕng koela wĕwĕkas, lamoen mangke geus papanggih, poen Andaka poma oelah dipaehan.
  3. Kintoenkeun ka dijeu enggal, kawoela hajang papanggih, patih Gilingwĕsi njĕmbah, soemangga sakĕrsa goesti, toeloej sri Gilingwĕsi, moendjoengan pamitan moendoer, kabeh para ponggawa, mantri-mantri Gilingwĕsi, pada moendjoeng geus kitoe kabeh baroedal.
  4. Tambah gĕgĕk dajeuh Tjĕmpa, anoe tani soegih moekti, anoe dagang beurat beanghar, soemawoña para mantri, kongas kamana mĕndi, dajeuh Tjĕmpa. woewoeh gĕmoeh, moerah sandang djeung pangan, noe leutik taja karisi, didjeudjeuhkeun koe menak lakoe-lampahna.
  5. Praboe anom miwarangan, njaoer aki djoeroetani, hanteu lila djĕboel datang, barĕng djeung nini sakali, ngadeuheus indit sirib, anak intjoe sarta boejoet, pada mawa tanggoengan, taleus djagong reudjeung hoewi, roepa-roepa paseba ti oerang hoema.
  6. Di boemi karang kapoetran, pinoeh semah oerang sisi, iridan ki pangĕbonan, sĕmoena kaget teh teuing, neuleu parabot boemi, pĕti panganten haroeroeng, soesoen patoempang-toempang, eunteung gĕdena ngahapit, sĕmoe doesoen mando djeung nanggeuj gadona.
[ 61 ]
  1. Sili towel djeung batoerna, nanggeuj gado bari ngapi, neuleu kalangkang sorangan, dina eunteung eukeur ngopi, sili tjiwit djeung seuri, towal-towel toendjak-toendjoek, Praboe anom ngandika, bageja aki djeung nini, bĕrkah aki koela aja oge bagdja.
  2. Аki reudjeung nini njĕmbah, didjoengdjoeng pisan koe aki, moegi salira gamparan, montong eling kana moelih, tĕtĕр nja dipigoesti, di Тjĕmpa djoemĕnĕng ratoe, kabeh para ponggawa, soemawoña abdi-abdi, sami soeka diratoewan koe gamparan.
  3. Praboe anom ngawalonan, koela ge hanteu rek balik, lamoen tĕtĕp dipimanah, koe kangdjeng rama narpati, matoer ki djoeroe tani, soekoer goesti lamoen kitoe, mĕnggah rama gamparan, tangtoe mimanah teh teuing, wantoe-wantoe teu kagoengan deui poetra.
  4. Тоеloej Paraboe anom njandak, panganggo sarawoeh doewit, maparin ki pangĕbonan, atoheun aki djeung nini, пgan meunang doewa peuting, geus kitoe pamitan moendoer, aki nini saroeka, boga keur ngaitkeun pikir, djoeroe tani ngawoelana torodjogan.
  5. Раngeran Dewakoesoemah, oenggal-oenggal sĕnen kĕmis, magĕlaran koekoempoelan, djeung kabeh ponggawa mantri, mirĕmpag hal prakawis, moetoeskeun noe padoe-padoe, langkoeng kĕrtaning djaman, taja rampog arang paling, Praboe sĕроеh ka mantoe woewoeh asihna.
  6. Praboe anom ras kelingan, kĕr basana moerang kalih, ras ka iboe ras ka rama, njoeroeloek tjisotja bidjil, kaget poetri ningali, jen raka nangis njoeroeloek, poetri naros ka raka, koe naon kakang teh nangis, diwalonan ingĕt ka djaman baheula.
  7. Ras ka iboe ras ka rama, kakang geus lawas teh teuing, nja ninggalkeun imah tangga, ajeuna kakang geus moekti, tina lantaran njai, disĕmbah diagoeng-agoeng, ari iboe djeung rama, di Sokadana prihatin, sarta mĕdĕng kakang hanteu meunang bedja.
[ 62 ]
  1. Geus poepoes atawa tatjan, soeka atawa prihatin, kitoe anoe matak kakang, nalangsa tjimata bidjil, nji poetri miloe nangis, doewaän patingsalĕgroek, ki Djanggali Djanggala, loewa-lĕwe ngiring tjeurik, Praboe anom ngalahir ka ki Djanggala.
  2. Раgeto maneh Djanggala, leumpang mawa soerat aing, sarta reudjeung kikiriman, hatoerkeun ka ama patih, panganggo reudjeung doewit, baris ka ama djeung iboe, tapi maneh sorangan, montong barĕng djeung Djanggali, aing keueung ditinggal koe doewanana.
  3. Kі Djanggala tjedok njembah, koering teu kadoega teuing, leumpang sakitoe djaoehna, ngan woengkoel koering pribadi, teu mawa batoer hidji, njorang leuweung meuntas laoet, djeung asoep panistaan, moen koering manggih balahi, mowal aja pisan djalma noe noeloengan.
  4. Вalik salira gamparan, mowal sĕpi mowal risi, disĕmbah koe sadjadjagat, abdi awewe lalaki, Praboe anom ngalahir, eta bĕnĕг ĕnja kitoe, tapi sanadjan reja, panakawan sedjen deui, ka maneh mah doewaän mowal katalang.
  5. Аri pibatoereun teja, eta bae djeung Bramani, oetama kabina-bina, meureun pada bela pati, bejak pĕrtjaja pikir, ki Djanggala njĕmbah matoer, lamoen sareung eta mah, koering oge hanteu risi, toeloej bae njaoer ki Dĕmang Oerawan.
  6. Наnteu lila djĕboel dongkap, ngadeuheus ka linggih goesti, njaoer sang Dewakoesoemah, he adi Daheng Bramani, lamoen геumроеg djeung pikir, taja halangan di poengkoer, ajeuna kakang nitah, mawa soerat djeung kikirim, djeung Djanggala ka nagara Sokadana.
  7. Ngawalon dĕmang Oerawan, salamina djisim koering, ngan ngantos-ngantos timbalan, taja deui noe dipikir, ti bеurang djeung ti peuting, ngan sĕdia manggoel pioetoes, oelah moen wates lara, sanadjan dongkap ka pati, hanteu pisan koering rek moengpang timbalan.
[ 63 ]
  1. Santngna kérea gamperan, kee kopring langkoeng kairing ngintoen ka iboe ka rama, sang Praboe anom ngalahir, pageto adi indit, djeung Djanggala soeboeh-soeboeh, ladjéng harita njérat, kijeu oenggél eta toelis, sérat koela Pandjiwoejoeng poetra rama.
  2. Katoer kang iboe kang rama, anoe djoeménéng papatih, di nagara Sokadana, dajeuh rama soegih moekti, kaoelanoan djisim koering, sédja njanggakeun pioendjoek , ka kérsa kangdeung rama, ialampaban diri koering, reh ajeuna geus aja di dajeuh ‘Tjémpa.
  3. Saréng gadoeh pamadjikan, ka Andajaniagrat poetri, poetra radja dajeuh Tjémpa, di loemajankeun nja diri, saréug ajeuna koering, djadi wawakil sang Praboe, sarta di gadang-gadang, ngagéntos djénéng hopali, ajeuna ge sasat énggeus jadi radja.
  4. Di leler dajewk saheulab, Praboe anom njakrawati. ela sadaja-dajana, kabagdjain diri koering, taja lijaia deut, kadjawi hibaring sépoch, piwoereek kangdjéng rama, aoe di lamgahkeun koe koering, moegi-moegi woewoeh tambah ‘mamanisna.
  5. D A N G D A N G G O E L A.

  6. Saréng sévat-ijeu djisim koering, ngabatoorkeun kagégélan manah, warni harta. djeang panganggo, anggoweun rama iboe, saréng aja. sawareh deui, eukeur bade-ka éma, tanda koering hiroep, saréng tanda gégél manah, reudjeung deui lalampaban diri koering, poorwa doegi wékasan.
  7. Saoepama ama hojong tingali, tetelana soemangga mamariksa, ka ijeu. Djanggala bae, djeung awon teu kacendjoek, ijeu ngaran Daheng Bramani, toeroenan Boegis radja,
[ 64 ]

    tépoengdi parahoe, djadi wawoeh loma pisan, goelèt roekёt sapapait samamanis, sabagdja satjilaka.

  1. Kоеring djadi pangeran dipati, ijeu djadi ki dĕmang Оerawan, didjadikeun loerah gandek, tĕgĕs bela toemoetoer, kawas doeloer asal sabibit, pasĕdjaän kang poetra, moen loeloes rahajoe, kang poetra mangkoenagara, ki Oerawan mangke didjĕnĕngkeun patih, marentah pra ponggawa.
  2. Sanggeus tamat praboe anom noelis, dilelerkeun ka dĕmang Oerawan, sarta doewit djeung pangango, ĕnggeus dongkap ka waktoe, toeloej mijang Daheng Bramani, rewangna ki Djanggala, indit soeboeh-soeboeh, sigĕgkeun noe karek mijang, katjatoerkeun di Sokadana ki patih, sadjĕngkarna poetrana.
  3. Raden patih hanteu pisan lali, beurang peuting taja nое katjipta, ngan eling ka poetra bae, ki Pandji Lĕmboewoeloeng, nĕda-nĕdana raden patih, ka noe moerba wisesa, moega Pandji Woeloeng, salamĕt manggih daradiat, katjatoerkeun sadjĕngkarna raden Pandji, patih kagoengan poetra.
  4. Каbĕnĕran poetrana lalaki, dingaranan ki Рandji Pamĕkas, moerangkalih kasep koneng, kalangkoeng matak loetjoe, toeloej гadja Dewakeswari, tjalik ka kapatihan, karsana sang ratoe, ngalajad ka noe poetraān, barang soemping moerangkalih katingali, kajoengjoen manah radja.
  5. Тoeloej bae sangradja ngalahir, ka ki patih eta boedak teja, ajeuna dipenta bae, koe kakang rek dikoekoet, soegan parĕng djeung titis-toelis, mangke ngaganti kakang, rehna kakang loepoet, gaboeg hanteu boga anak, raden patih njĕmbah ngawalon ka goesti, koering ngan darma anak.
  6. Kabeh-kabeh hanteu langkoeng goesti, nadjan koering kagoengan gamparan, toeloej radja mangkon orok, ditimang dipapangkoe, radja moelih djeung moerangkalih, katjatoer lila-lila, moerangkalih moeloes, sang radja langkoeng asihna, hanteu karsa pisah ti bеurang ti peuting, sarta njĕboetna rama.
[ 65 ]
  1. Kjahi patih hatoeran ka goesti, mĕlas-mĕlas mioendjoek poetrana, goesti pangapoentĕn bae, moegi teu djadi bĕndoe, eta lampah abdi poen Pandji, moegi oelah katjida, koe goesti digoenggoeng, diantĕр sakahajangna, bisi djadi songong njaloentang ka goesti, tĕmah matak doraka.
  2. Djeungna deui moenggoeh boedak leutik, sok noeroetkeun koemaha biasa, lamoeña toeman diogo, sakarĕрna ditoeroet, mangke kolot nja kitoe deui, nganteur sakahajangna, tara njandĕt napsoe, djalma tjara tatangkalan, leuleus oge lamoen tangkal masih leutik, dipĕroehkeun sok beunang.
  3. Reja-reja tjonto noe geus boekti, poetra-poetra radja nое basangkal, nganteur kahojongna bae, tina asal digoenggoeng, djadi toeman ti moerangkalih, hanteu njandĕt amarah, sok ngaladjoer napsoe, tĕtĕp datang ka sepoehna, hanteu jasa njandĕt napsoena pribadi, eta kitoe loembrahna.
  4. Radja Dewakeswari ngalahir, leuwih hade, si Pandji ajeuna, panjijeunkeun ĕnggon sedjen, sarta berejan goeroe, noe binangkit reja pangarti, soepaja dipagahan, saniskara elmoe, djeung deui eta goeroena, koedoe bere rĕdjĕki datang ka mahi, masing djongdjon magahan.
  5. Langkoeng soeka-boengah raden patih, reh dimanah kabeh pioendjoekna, toeloej moendoer ti kadaton, kaloewar oeroes-oeroes, njijeun boemi keur raden Pandji, sarta milih goeroena, noe pintĕr noe ampoeh, noe hade lakoe-lampahna, katjatoerkeun goeroe noe pinter geus manggih, pakoewon geus sadija.
  6. Raden Pandji Pamĕkas geus tjalik, di pakoewon karang pamoelangan, oenggal peuting oenggal powe, diwoeroek elmoe-elmoe, hanteu pati dibere oelin, ditjandĕt kahajangna, dipĕrah dipĕroeh, oenggal powe tambah-tambah, kapintĕran tindak-tandoek tata-titi, kadjajan kaprawiran.
  7. Raden patih hanteu pisan lali, ka poetrana noe eukeuг пgoembara, rehna mĕdĕng taja tjrijos, гаhaden patih njaoer,
[ 66 ]

    ka garwana misaoer Pandji, njai nineung katjida, ka ki Pandjiwoeloeng, ĕnggeus sakijeu lawasna taja bedja, ngan eukeur anjaran indit, bedja maehan adjar.

  1. Kа tjaroge ngawalon nji patih, koela kakang tadi meunang bedja, ti sodagar dagang tjinde, poelang ngoembara djaoeh, bebedjana teu pati sidik, ngan aja hawar-hawar, di Тjĕmpa sang praboe, mantoewan ka noe ngoembara, asal tina gandjaran meunangkeun poetri, eta kitoe bedjana.
  2. Тĕrka koela soegaña ki Pandji, tjarogena ngawalon ka garwa, lamoen poegoeh kitoe atoh, sabot keur goenĕm tjatoer, raden patih reudjeung nji patih, ki Djanggala hol datang, ki Daheng teu kantoen, koe ki patih geus katingal, tapi raden patih ka Djanggala pangling, hanteu enggal disambat.
  3. Kі Djanggala njĕmbah bari tjeurik, ijeu koering poen Djanggala teja, koe raden patih dirontok, mana si Pandjiwoeloeng, reudjeung adi maneh Djanggali, Djanggala ngawalonan, ari Pandjiwoeloeng, aja di nagara Тjĕmра, ĕnggeus djĕnĕng praboe anom njakrawati, sim koering dipiwarang.
  4. Маwa sĕrat sarĕng djeung kikirim, ka gamparan panganggo djeung harta, ka raji nja kitoe keneh, sarĕng ka nji mas Toendjoeng, raden patih soemĕgroek nangis, njai patih midangdam, nji Toendjoeng soemĕgroek, di pakoewon kapatihan, rame tjeurik oerang pawon eusi boemi, tina bawaning waãs.
  5. Kі Djanggala sarĕng ki Bramani, ngahatoerkeun sĕrat djeung kintoenan, koe ki patih geus diilo, nangis bari djeung imoet, tina soeka kawanti-wanti, nji patih miloe matja, sĕrat Рandjiwoeloeng bari rambaj tjisotjana Toendjoengsari, njisih masang geus tarapti, toeloej ngarijoeng dahar.
  6. Sanggeus beurang kaganti koe peuting, ki Oerawan, geus ditĕtĕbahan, dipĕrnahkeun hade-hade, soeka garoenĕm tjatoer, noe ditjatoer lalakon Pandji, tina mimiti angkat, taja noe kalaroeng, lĕbah Pandji nĕwĕk adjar, raden patih goemoedjĕng sarĕng nji patih, tina bawaning poewas.
[ 67 ]
  1. Lĕbah Pandji tĕpoeng djeung Bramani, di parahoe raden patih soeka, soemawon lĕbah tatanen, lĕbah pĕrang di goenoeng, djeung panglima oerang Banggali, meunang Andajaningrat, soekana kalangkoeng, noetoepkeun soeka-boengahna, lĕbah Pandji djadi pangeran dipati, moerba saparo Tjĕmpa.
  2. Bangĕt soeka-manah raden patih, kitoe deui nji mas Toendjoeng teja, moedji soekoer ka jang manon, rahaden patih njaoer, moegi loeloes bagdja ki Pandji, djadi radja di Tjĕmpa, dajeuh rame gĕmoeh, reja hasil kaoentoengan, njakrawati balad sasama bopati, leuwih ti Sokadana.
  3. Ki Djanggala sarĕng sang Bramani, ĕnggeus lawas di Sokadanana, oenggal peuting oenggal powe, kari di rijoeng-rijoeng, koe ki patih koe njai patih, nji Toendjoeng hanteu anggang, di tanggap tjatjatoer, tjatjarita lalampahan, teu kaliwat ditetek diboelak balik, geus meunang doewa boelan.
  4. Ki Djanggala sarĕng ki Bramani, geus pamitan rek "moelang ka Tjĕmpa, mĕlang koe dipati anom, raden patih katjatoer, ĕnggeus njĕrat bade ka Pandji, oenina eta sĕrat, ijeu sĕrat katoer, ka salira linggih poetra, praboe anom Bahoedĕnda njakrawati, senapati ngalaga.
  5. Sarĕng pirang-pirang soeka-ati, bapa ĕnggeus tampi kikintoenan, roepa harta djeung pangnganggo, bapa kaliwal soekoer, noe ditĕda beurang djeung peuting, ka noe moerba wisesa, eta ngan sakitoe, moega-moega manggih dradjad, tapi poma oelah rek lali ka djangdji, wĕwĕkas bapa teja.
  6. Bapa soekoer tatapi aringgis, wantoe-wantoe padjaoeh djeung bapa, djĕnĕng di nagara sedjen, bisi aja noe giroek, noe panastren doemehna moekti, watĕk adat manoesa, aloerna kapoengkoer, loewangna katoekang-toekang, sok istrenan koedoe idjid ka noe moekti, sok ngewa ka noe moelja.
  7. Koedoe bae didjaga dipikir, leuwi djĕra radjeun kateuleuman, ari hate djalma goreng, teu katembong kasoeroep, leuwih djĕro ti batan leuwi, koedoe pikir rangkĕpan,
[ 68 ]

    oelah sok saladjoer, tatapi ari batiña, koedoe pasrah ka noe moerba boemi langit, jang soekma djati moelja.

  1. Reudjeung deui poma oelah lali, doemeh ĕnggeus diparinan moelja, poma mangka hade-hade, rasa mantĕn geus poendjoel, tinggal jatna djeung taki-taki, malah koedoe ditambah, ti kapoengkoer-poengkoer, karana ĕnggeus tetela, balahina gĕde menak batan koering, kitoe deui bagdjana.
  2. Ka noe leutik taja anoe pidik, noe malarat taja anoe ngewa, noe beunghar reja noe djĕleh, djeung deui moenggoeh ratoe, koedoe awas ka lakoe mantri, lamoen aja ponggawa, anoe langsoeng langgoek, mowal beunang dipĕrtjaja, djadi tanda pare djotjong taja eusi, hapa taja gawena.
  3. Моеntjoegoegna tanda koerang boedi, aja deui sahidji oepama, lodong noe ngĕntroeng sok kosong, djalma eta nja kitoe, anoe rahong tara dieusi, moen manggih pagawejan, noe bangga noe ewoeh, tеu aja pisan antekna, eta kitoe noe koe bapa geus kapanggih, beunang didjijeun loewang.
  4. Reudjeung deui lamoen andjeun manggih piambĕkeun, koedoe koewat nahan, reureuhkeun oelah didolos, karana moen diladjoer, napsoe eta narik balahi, tina tinggal panalar, toengtoengna kadoehoeng, anoe ĕnggeus kapilampah, tapi loembrah keur napsoe taja pamilih, mana koedoe singkahan.
  5. Аdat djalma loembrah menak koering, moen ngadenge omong noe teu ngeunah, ngeng-ngeng katoгekan bae, gĕtih naek kaloehoer, ngĕntab ati hajang nampiling, lamoen koerang koewatna, kalindih koe napsoe, daekeun oge pek noembak, napsoe lilir kadoehoeng kakara bidjil, tiwas ngoembar amarah.
  6. Prabot gĕde di manoesa eling, noe disĕboet manoesa prawira, ĕnja eta tĕgĕsna teh, noe koewat njandĕt napsoe, gĕde ambĕk disĕboet djĕdjĕrih, kadjarah koe amarah, kabaoed koe napsoe, moen kadatangan amarah, anggoer ebog atawa tinggalkeun indit, ngadagowan lilirna.
  7. Аmbĕk eta ana ĕnggeus bidjil, ngaboeroeboel hese
[ 69 ]
    ditjandĕtna, koedoe datang ka pek njabok, ari mangke kadoehoeng, ĕnggeus lilir tangtoe kapikir, hade njandĕt amarah, aja teu kadoehoeng, djeung deui pepeling bapa, ka geureuha koedoe pisan wĕlas asih, masing gĕde timbangan.
  1. Djatnikakeun sapatoetna diri, oendak oesoek teu beunang dipapak, koering menak sedjen-sedjen, moenggoeh geureuha ratoe, djatnikana nja lain deui, djeung garwa pra ponggawa, beda teu sapatoet, soemawon moenggoeh andjeun mah, paribasa njalindoeng ka gĕloeng istri, koedoe jasa katjida.
  2. Маsing jasa ngala manah istri, meuli-meuli kahojong geureuha, tapi oelah tinggal bobot, sakintĕn anoe patoet, oelah kena asih ka istri, ditoeroet sakĕrsana sanadjan tеu patoet, lamoeña kitoe pĕtana, djadi tanda poepoetjoek ngaroeksak adil, mawa tiwas salira.
  3. Оelah pisan njatjandak ka istri, dina lampah mirĕmpag nagara, nimbang ka noe hade goreng, karana ĕnggeus tangtoe, moenggoeh istri koerang pamilih, reja-reja toeladan, ratoe noe kapoengkoer, sok ngandĕl teuing ka garwa, tjilakana kabawa koe polah istri, eta masing prajatna.
  4. Rеudjeung oelah reja teuing sĕlir, noengtoen kana tjerewed nagara, reja tjonto noe kalakon, abdi kabĕndon ratoe, tina djalan parĕkan sĕlir, toerta lamoen dimanah, salah oge ratoe, teu nimbang ka sahwat djalma, sabab koedoe awewе tjampoer lalaki, koedoe oge dimanah.
  5. Рoma-poma oelah hanteu eling, ka sakabeh pepeling piwoelang, ajeuna ngan kantoen nganggo, tangtoe manggih rahajoe, lambat-lamboet djadi bopati, radja pakoe nagara, disĕmbah disoehoen, djeung deui ajeuna bapa, sĕdja waktja ngababarkeun lampah Pandji, oelah rek kaget manah.
  6. Апdjeun oge ĕngeus meunang warti, ti Djanggala Djanggali tetela, jen bapa ngan ngoekoet bae, tĕgĕs poetra sang praboe, ari iboe nji Toendjoengsari, iboe meunang pitĕnah, kabĕndon koe ratoe, diistorikeun pawarang, dipadjarkeun djinah ka mantri Panoli, sarta tumbalan radja.
[ 70 ]
  1. Doewanana koedoe dipareuntjit, akal bapa tina pantĕg wĕlas, toeloej disoempoetkeun bae, ki Panolih ditoendoeng, eta kitoe tjarita tadi, ari bapa pĕrnahna, misan djeung sang praboe, toenggal ejang misah rama, bapa soekoer si adjar ĕnggeus dipeuntjit, eta noe njijeun baja.
  2. Noe sailon reudjeung prameswari, adjar tampa roeroeba pawarang, soepaja ngĕnjakeun bae, tapi djadi pitoeloeng anoe matak andjeun prihatin, lantaran meunang bagdja, marga tina kitoe, djeung deui ajeuna bapa, sa bral andjeun bapa anakan lalaki, ngaran Pandji Pamĕkas.
  3. Еta boedak dipoendoet koe goesti, rama andjeun radja Sokadana, dikoekoet aja di djĕro, dipiasih koe ratoe, tapi moenggoeh bapa pribadi, hanteu pisan katalang, atawa kalipoer, ka andjeun taja mĕndana, gĕgĕl owĕl beurang peuting hanteu lali, magatroe ganti tĕmbang.
  4. M A G A T R O E.

  5. Raden patih geus пjĕrat toeloej ditoetoep, ditampi koe Вrаmаni, sarta geus dileler sangoe, geus dangdan toeloej arindit, pada njoesoetan tjipanon.
  6. Njai patih sarĕng eta nji mas Тоепdioeng, pada ebog narangis, njoeoeh bari sĕgrak-sĕgroek, manahna eling ka Pandji, noe geus djadi praboe anom.
  7. Sigĕg anoe keur saroesah teu katjatoer, kotjap sang Аdipati, Praboe anom langkoeng-langkoeng ngantos-ngantos sang Bramani, geus lawas tatjan geura hol.
  8. Ĕnggeus leuwih doewa boelan tatjan tjoendoek, bowa manggih balahi, sabot keur ngamanah kitoe, ki Djanggala djeung Вrаmаni, dongkap njanggakeun pangbaktos.
  9. Рraboe anom boengahna kalangkoeng-langkoeng, adi
[ 71 ]

    Daheng Barmani, kakang mĕlangna kalangkoeng, паha lawas-lawas teuing, tjik pada geura tiarijos.

  1. Kі Вrаmаni njanggakeun sĕrat kikintoen, поen ijeu djisim koering, njanggakeun sĕrat kikintoen, walonan ti rama goesti, sĕratna toeloej diilo.
  2. Diaösna bari tjisotja moeroeboet, kagagas manah goesti, sĕratna datang ka tjiproek, disoesoetan bidjil deui, bawaning nineung bog ebog.
  3. Вari ebog ngilo sĕrat sĕgrak-sĕgroek, sang poetri miloe nangis, toeloej praboe anom njaoer, ka Djanggala djeung Bramani, maroelang bae ka pondok.
  4. Маngke sore kadarijeu deui koempoel, djeung Daheng Вrаmаni, djeung Djanggala geus maloendoer, kantoen pangaran dipati, maos sĕrat bari ebog.
  5. Katjatoerkeun panon powe ĕnggeus soeroep, bеurang kaganti koe peuting, ki Djanggala ĕnggeus tjoendoek, sarĕng ki Daheng Bramani, bade ditanggap tjarijos.
  6. Praboe anom ĕnggeus tjalik dina bangkoe, пgagedengkeun sang poetri, parĕkan hempak di poengkoer, Djanggala sarĕng Bramani, ngamimitijan tjarijos.
  7. Gĕmĕt pisan hanteu aja noe kalaroeng, salampahпа nоe kapanggih, sadajana kapioendjoek, salampahna raden patih, kagagas sang praboe anom.
  8. Praboe anom soeka manahna kalangkoeng, sarehna rahaden patih, poetгаän pamĕgĕt moeloes, sarta dikoekoet koe goesti, estoe pitoeloeng jang manon.
  9. Рraboe anom ngandika sadjroning kalboe, moega parĕng djeung toelis, si Pamĕkas pandjang oemoer, sarta pintĕr lantip boedi, baris ngaganti kaprabon.
  10. Kагаdjaän Sokadana mangke toeroen, djadi pamalĕs asih, bapa patih anoe ngoekoet, ngahandjat tina balahi, tampa pamoelang karaton.
[ 72 ]
  1. Lamoen hanteu koe bapa patih ditoeloeng, ĕma meureun dipeuntjit, da kami eukeur dikandoeng, lahirna mowal ngadjadi, ĕma maоt kami komo.
  2. Djeungna deui bapa patih noe ngawoeroek, saniskara pangarti, marga sakijeu rahaijoe, moen hanteu koe bapa patih, nadjan hiroep oge bodo.
  3. Ĕnggeus peuting noe ngadeuheus widi moendoer, Pangeran adipati, djeung garwana geus arasoep, kajoengjoen poetra djeung poetri, estoe lajeut manggih rĕpok.
  4. Praboe sĕpoeh kalangkoeng asih ka mantoe, poetra ngan hidji istri, sok rĕmĕn pisan disaoer, ka mantoe rĕsĕр ningali, raos asa nanggeuj ĕndog.
  5. Inggis hanteu djeung garwana loeloes roentoet, rĕmĕn pisan sang poetri, diwoeroek djalan rahajoe, sangkan rapih laki rabi, soepaja pandjang nja djodo.
  6. Нidji mangsa sang radja poetri disaoer, diwoeroekan koe goesti, kijeu lahirna sang praboe, he Andajaningrat poetri ingĕtkeun oelah rek poho.
  7. Wantoe maneh anak noe mangkoe kadaton, bisi boga рikir dir, boga rasa anak ratoe, ka salaki teu padoeli, wani njaloentang djeung songong.
  8. Оelah kitoe sanadjan poetraning ratoe, lakijan ka pangarit, sĕmbah soemoengkĕmna koedoe, lalaki panoetan istri, sanadjan moenggoeh di sato.
  9. Sapi bikang tangtoe kapoerba koe lĕmboe, eta djadi oepami, totonden toeladan estoe, hajam pon nja kitoe deui, babon kapoerba koe djago.
  10. Kа salaki koedoe njaäh sarta noeroet, koedoe njaho di boedi, moen salaki sĕmoe poendoeng, pikiran diri pribadi, naon noe matak kabĕndon.
  11. Моеп karasa kalakoewan maneh loepoet, montong dipikir deui, geuwat-geuwat nĕda maloem, oepahan koe boedi manis, oelah rek kadalon-dalon.
[ 73 ]
  1. Djeungna deui di awewe eta koedoe, bĕrseka ngoeroes diri, soepaja di pikaloejoe, oelah baoe hapeuk tĕngi, soераja roentoet sadjodo.
  2. Маneh koedoe ingĕt lantaran rahajoe, lamoen hanteu kapanggih, koe salaki maneh tangtoe, toeloej dibawa koe maling, djeung ama geus boga omong.
  3. Rek seseren karadjaän ka minantoe, oentoeng maneh pribadi, meunangkeun toeroenan ratoe, kasep pintĕr lantip boedi, mana koedoe oelah songong.
  4. Оenggal tĕpoeng kitoe woeroekna sang praboe, djeung pangeran dipati, ka geureuha langkoeng roentoet, sang poetri langkoeng goemati, djaoeh pisan kana songong.
  5. Kаtjarita sri bopati sĕpoeh ngangloeh, kasawat panas tiris, sagala doekoen dikĕloen, tapi taja anoe matih, рĕрĕk saniskara landong.
  6. Praboe anom djeung garwa di djĕro toegoer, hanteu moelih ka boemi, di djro poera djĕdjĕl pinoeh garwa ponggawa djeung mantri, doekoen kĕmit hanteu towong.
  7. Kаngdjeung sĕpoeh kasawatna tambah madjoe, abdi-abdi prihatin, njamarkeun andjeun sang praboe, raos geus nepi ka djangdji, kĕrsa masihkeun kaprabon.
  8. Тoeloej njaoer ka papatih kangdjĕng sĕpoeh, ponggawa para mantri, ngabeuhi rangga toemĕnggoeng, di pakoelĕman ngabaris, poetri kanti praboe anom.
  9. K I N A N T I.

  10. kаngdjĕng praboe sĕpoeh njaoer, he patih ponggawa mantri, ajeuna kami wasijat, njerenkeun karaton kami ka ijeu Dewakoesoemah, salakina njai poetri,
  11. Poma kabeh pada noeroet, goemoesti tjara ka kami, oelah
[ 74 ]

    owah koemowoela, toenggal keneh anak kami, kami hanteu boga anak lalaki ngan mantoe hidji.

  1. Djeungna deui leuwih patoet, tina pintĕr lantip boedi, рĕrjoga ngoeroes nagara, toenggal toeroenan boepati, pra ponggawa ngawalonan, ngiringan sakĕгsa goesti.
  2. Ngawalon bari soemĕgroek, sakabeh pada narangis, soemawon poetra djeung garwa, praboe anom njai poetri, toengkoel njoesoetan tjisotja, gedengeun rama narangis.
  3. Radja sĕpoeh deui njaoer, bari ngoesapan nji poetri, mastaka dioesap-oesap, he anak ama nji poetri, masing bisa koemawoela, adĕр-idĕр ka salaki.
  4. Аwewe eta geus tangtoe, kapoerbana koe salaki, maneh oelah boga rasa, doemeh poetri mangkoe boemi, anak noe boga nagara, hanteu hormat ka salaki.
  5. Soemawon lamoen keur napsoe, njatjarekeun ka salaki, njĕbot-njĕbot ka nagara, reh maneh noe boega milik, eta moen kitoe pĕtana, djalan-djalan moewal rapih.
  6. Роеtri ngawalon soemĕgroek, doemareuda bari nangis, soemoehoen djijad gamparan, noe ditĕda bеurang peuting, koering moega tĕtĕр sabar, nja ngawoelaän salaki.
  7. Sang radja njaoer ka mantoe, anak ama ki dipati, ama пjĕrahkeun nagara, sarawoeh diri nji poetri, moega gĕde nja hampoera masing roentoet laki-rabi.
  8. Praboe anom njĕmbah matoer, ngawalon barina nangis, moegi oelah sĕmang manah, prakawis diri nji poetri, lara bagdja sasarĕngan, didamĕl djimat paripih.
  9. Djijad gamparan disoehoen, moegi tĕtĕp laki-rabi, sarĕng djisim koering soempah, mowal gadoeh bodjo deui, sanadjan ninggal ti heula, poetra gamparam nji poetri.
  10. Тan wande satoetoep oemoer, mowal gadoeh bodjo deui, ari prakawis nagara, sim koering ngan darma wakil, ngoeroes lakoe kaädilan, nji poetri noe gadoeh milik.
[ 75 ]
  1. Nji poetri hatoer soemamboeng, moen koering sĕdja soempah deui, moen kakang tilar tiheula, tеu sĕdja lakijan deui, oelah wĕnang kawarasan, lamoen koering gindi pikir.
  2. Langkoeng boengah radja sĕpoeh, ngadangoe soempah пji poetra, sarĕng soempah raden poetra, toeloej bae njandak tjingtjin, sosotja ratna komala, djimat poesaka nagari.
  3. Dipaparinkeun ka mantoe, koe praboe anom ditampi, dianggo meudjeuhna pisan, keur dasar kasep titadi, nganggo lĕlĕpen goemĕbjar, matak serab noe ningali.
  4. Radja sĕpoeh geus ngahandjoe, poepoet adjal titis-toelis, ejar istri noe midangdam, para garwa tingdjarĕrit, rame sadjĕroning poera, istri-istri wara-wiri.
  5. Ngagoeroeh nitirkeun bĕdoeg, tanda kapoepoesan goesti, goejoer sanagara Тjĕmpa, oerang sisi wara-wiri, sang radja geus dikaloewat, koemaha tali paranti.
  6. Sanagara Tjĕmpa aloem, ponggawa sĕdih prihatin, soemawon poetra djeung garwa, ngan aja panglipoer sĕdih, doemeh pigĕntoseunana, geus kawangwang bakal adil.
  7. Вale-bandoeng asa soewoeng, pantjaniti asa sĕpi, nagara katilar radja, meunang opat poeloeh peuting, geus matang poeloeh waktoena, pra bopati koempoel deui.
  8. Вade ngadjĕnĕngkeun praboe, karasmen ĕnggeus tarapti, tatabeuhan geus sadija, raden patih tata baris, natakeun para ponggawa, dĕmang rangga djeung ngabeui.
  9. Sarawoeh para toemĕnggoeng, kĕrsana rahaden patih, mapag ka karang kapoetran, djĕngkar pra ponggawa mantri, mĕlĕngkoeng oemboel-oemboelna, lawe гontekna ngabaris.
  10. Ngagoeroeh gĕndang djeung tamboer, saroni taгompet soeling, kaparĕk djeung oepatjara, ngapit kasinoman goesti, dipoengkoer epok lampitna, mantri anom anoe ngampil.
  11. Вrаl ngabantaj broel ngagimboeng, aleutan noe mapag goesti, djampana dihoeloe naga, ekeur titihaneun goesti, rentek sisit dibanjoemas, matak serab noe ningali.
[ 76 ]
  1. Sang praboe anom katjatoer, geus nganggo reudjeung sang poetri, nganggo-nganggo karadjaän, makoeta patingkarĕtip, kaprabon nagara Тjĕmpa, ditaretes intĕn boemi.
  2. Sang poetri deui nja kitoe, geus nganggo panganggo istri, ngagĕm kaprameswarijan, djamang tarate noe manis, sigĕr kantjana noe endah, kasmaran anoe ningali.
  3. A S M A R A N D A N A.

  4. Geulang kangkaloeng noe leuwih, ditaretes intĕn moebjar, sanggeus parantos noe nganggo, djĕboel datang anoe mapag, teu lila ladjeng djĕngkar, nitih djampana nое hoeroeng, doer bĕdilna tjloeng angkloengna.
  5. Таmboer tarompet djeung soeling, ngagoeroeh sora gamĕlan, salendro renteng djeung pelog, pintĕrna papatih Тjĕmpa, entep natakeuñana, tеu paselang teu pasoeroep, moenggoeh heula pandeurina.
  6. Тоеmĕnggoeng rangga ngabeui, maridang taroenggang koeda, djĕngkarna ti kadipaten, ngaliwat di kapatihan, sĕsĕk djĕdjĕl di djalan, geus tjoendoek ka aloen-aloen, sada barondong bĕdilna.
  7. Soerakna asa kaindit, ngagoeroeh ajeuh-ajeuhan, geus ngaliwat di babantjong, loengsoer di latar pamĕngkang, tjalik di singgangsana, ngarijoeng para toemĕnggoeng, ngadjadjar para ponggawa.
  8. Kangdjĕng pangeran dipati, tjalik di malige rĕtna, saгĕng garwana ngarendeng, ladjĕng raden patih njandak, makoeta karadjaan, diterapkeun sarta njaoer, sang poetri diangkat radja.
  9. Ngaembarkeun raden patih, ngadĕg maos bijantara, he para ponggawa kabeh, sang poetri Andajaningrat, djadi ratoe di Тjĕmpa, saha-saha noe teu taloek, kami pilawaneunana.
[ 77 ]
  1. Satrija para boepati, sadaja sami ngistrenan, jen poetri anoe djĕnĕng teh, djĕdoer marjĕm gĕr gamĕlan, tanda djoemĕnĕng radja, sadaja geus pada moendjoeng, mantri sarta koelawarga.
  2. Ladjĕng kangdjĕng radja istri, sanggeus antara sakĕdap, seseren deui kaprabon, ngadĕg njelehkeun makoeta, ka raka sarĕng hormat, sarta radja istri njaoer, he sakabeh pra ponggawa.
  3. Моеga kabeh pada njaksi, koewoela seleh nagara, karadjaän Тjĕmpa kabeh, ka ijeu kakang pangeran, djoemĕnĕng radja Тjĕmpa, saha-saha noe teu taloek, koela pimoesoeheuñana.
  4. Kоеla djadi prameswari, koemawoela ka sang radja, para ponggawa ngawalon, sadaja sami ngistrenan, pangeran adipatina, noe ladjĕng djoemĕnĕng ratoe, sang poetri prameswarina.
  5. Маrijĕm diseungeut deui, baroeng djeung sora gamĕlan, tanda seseleh kaprabon, dĕmang rangga kandoeroewan, toemĕnggoeng pra najaka, sadaja geus pada moendjoeng, sarta pada soeka-boengah.
  6. Kаdaharan ĕnggeus bidjil, rame pra ponggawa dahar, pada soeka boengah kabeh, geus kitoe sang radia djĕngkar, moelih ka djĕro poera, dipadjĕngan herang-hoeroeng, pajoeng doewa ngandan-ngandan.
  7. Ditilik ti gigir Iĕnggik, ditinggal titoekang lĕndjang, noe geulis reudjeung noe kasep, kawas Ragawa djeung Sinta, sijang oepadjarana, di poengkoer istri ngagimboeng, noe ngampil epok kantjana.
  8. Sowang entog sawoeng galing, sakabeh kantjana moelja, eta tjirining kaprabon, sakabeh noe ngadeuheusan, geus moendoer sewang-sewang, dajeuh Тjĕmpa tambah gĕmoeh, rame moerah sandang pangan.
  9. Аnoe tani soegih moekti, anoe dagang beurat beunghar, para mantri soeka kabeh, radja kalangkoeng toweksa, toelaten ka wilajat, soeka doekana kaoeroes, sarta bagdja tjilakana.
[ 78 ]
  1. Toeloej kangdjĕng sri bopati, miwarang hidji ponggawa, noedjoel noe djagdjag pĕrlente, mawa soerat ka ramana, ka patih Sokadana, matoer jen geus djĕnĕng ratoe, sang radja sĕpoeh geus wapat.
  2. Gantjangna noe mangoen djoerit, tjaraka ĕnggeus bral mijang, kotjapkeun dongkapna bae, ngadjoegdjoeg ka kapatihan, sĕrat ĕnggeus ditampa, ki patih boengah kalangkoeng, jen poetra geus djadi radja.
  3. Soemawon nji Toendjoengsari, djeung nji patih soeka boengah, ki patih noelis ngawaton, jen geus tampi eta sĕrat, kalangkoeng soeka-manah, djeung mangke boelan kapajoen, sĕdja ngadeuheus ka Tjĕmpa.
  4. Gantjangna anoe ngagoerit, oetoesan ĕnggeus bral moelang, ngabantoen sĕrat pangwalon, hanteu katjatoer di djalan, kotjapkeun ĕnggeus dongkap, tarodjog ka djro kadatoen, noedjoe kangdjĕng radja lĕnggah.
  5. Mantri oetoesan ngabakti, njanggakeun sĕrat walonan, koe sang radja geus diiloe, kalangkoeng soeka-boengahna, ladjĕng radja popojan, ka garwa jen boelan pajoen, ama kadijeu kĕrsana.
  6. Njai meudjeuhna tjatjawis, rehna kasoempingan rama, ratoe kantjana ngawalon, ti bareto geus sadija, mowal aja kakirang, moegi rama geura djĕboel, diantos salalamina.
  7. Sarĕng pirĕmpoeg sim koering, kakang langkoeng sae mapag, dongkap ka loewar saketeng, sarla njandak balad-balad, ngagĕm tanda karadjan, nandakeun hormat ka sĕpoeh, lantaran aja di doenja.
  8. Sang radja imoet ngalahir, njai doenoengan poen kakang, nja geulis taja kawantjen, binangkit gĕde prajoga, kakang roemasa kalah, pĕrjoga timbang taradjoe, tĕmah wadi tatakrama.
  9. Koe kakang tjatjan kapikir, jen koedoe kitoe pĕtana, ari hormatna ka kolot, koe njai ĕnggeus kamanah, eta kakang
[ 79 ]

    ngiringan, dina mangsa soemping sĕpoeh, kakang koe maneh rek mapag.

  1. Toenda heula sri boepati, keur goenĕm raos djeung garwa, malikeun deui tjarijos, sang radja di Sokadana, kĕrsa boeboedjĕng oentjal, ngagarogol banteng lĕmboe, geus djĕngkar sarĕng patihna.
  2. Najaka ponggawa mantri, pamatang djeung paninggaran, djoeroe-toembak djoeroe-tohok, pada ngariring sadaja, dongkap ka tĕngah tĕgal, oentjal taja lĕmboe soewoeng, moro taja beubeunangan.
  3. Kangdjĕng radja sarĕng patih, ladjĕng kana papanggoengan, di loehoer doewaän bae, ladjĕng radja sasaoeran, misaoer lalampahan, sareh ngaraos geus sĕpoeh, hojong seseren karadjan.
  4. Lahirna radja ka patih, adi kakang taja bagdja, lamoen kakang ti bareto, boga anak ti ngongora, meureun geus gĕde pisan, geus koewat ngaganti ratoe, tapi dalah di koemaha.
  5. Ngan moega bae si Pandji, Pamĕkas masing binĕkas, rasa kakang toenggal keneh, djeung djadi pamoelang bela, adi nja koemawoela, hanteu bengkok hanteu palsoe, koe kakang geus katarima.
  6. Djeung deui kakang kamari, neuleu awewe ngaliwat, soemĕblak bae nja hate, kadeuleu ti kadjaoehan, Toendjoeng sari sigana, kakang bingbang woewoeh bingoeng, samarasa pipikiran.
  7. Katjipta bae koe ati, salakoe lampah baheula, dipoho-poho teu poho, noe matak ajeuna mijang, dadakoe moro oentjal, sawalehna ngalilipoer, pikir oelah kalĕlĕban.
  8. Tapi hanteu djadi lali, koematjatjang dina manah, si Toendjoeng kadeuleu bae, malah kakang boga rasa, lamoen kijeu rasana, samar toeloes meunang tahoen, samar koewat meunang boelan.
  9. Raden arja patih nangis, bari ngawalon ka radja, goesti
[ 80 ]

    pangapoentĕn bae, moegi oelah djadi manah, nista moeggoehing radja, kabingoengan koe sakitoe, prakawis istri mah gampang.

  1. Anoe katinggal kamari, soepaja poegoeh gĕnahna, mangga oerang saoer bae, ladjĕng ngawalon sang radja, awewe poegoeh reja, tatapi moewal kalipoer, da lain si Toendjoeng teja.
  2. Tajoh geus nĕpi ka djangdji, kakang paeh kalĕlĕban, teu beunang dipoho-poho, sanadjan gĕde dosana, koe kakang teu katingal, oenggal peuting sok ngalindoer, djeung si Toendjoeng reureudjeungan.
  3. Manahna rahaden patih, bowa pidjalanĕn waktja, ajeuna meudjeuhna waleh, raden patih ladjĕng njĕmbah, oendjoekan ka sang radja, noen goesti agoeng bĕbĕndoe, koering soemĕdja rek waktja.
  4. Tapi panoehoen sim koering, goesti oelah rĕdjag manah, elingkeun kĕrsa jang manon, koedoe djadi lalampahan, djadi babad nagara, pilantaraneun rahajoe, kagoengan poetra oetama.
  5. Prakawis poen Toendjoengsari, koe koering teu dipaehan, ajeuna ge hiroep keneh, poerwa hanteu dipaehan, hanteu tĕrang dosana, malah tetela noe palsoe, pawarang njijeun pitĕnah.
  6. Sailon reudjeung paradji, si adjar Goenawisesa, anoe matak nĕroesan teh, sasaoerna nji pawarang, tina tampa roeroeba, bisana si adjar doekoen, piandĕl kijas tarekah.
  7. Koering nanggoeng Toendjoengsari, jen bĕrsih taja dosana, nji pawarang anoe bohong, ngan tina koe kageuleuhan, djadi saäkal-akal, barang sang ratoe ngadangoe, ngagidir oelatna pijas.
  8. Toeloej sang radja ngalahir, njaoer bari tjoemalimba, lamoen bĕnĕr omong maneh, jen eta si Toendjoeng teja, teu toeloes dipaehan, djeung ajeuna masih hiroep, kakang kaoel bebejakan.
  9. Ngawalon rahaden patih, eta salĕrĕsna pisan, hatoer hanteu pindo gawe, malah eta noe katingal, kamari koe gamparan, jaktos pisan jen poen Toendjoeng, sang radja toeloej ngandika.
[ 81 ]
  1. Не adi kakang ki patih, baheula teh tjeuli saha, noe dipintonkeun koe maneh, koetan lain saĕnjana, tjeuli si Тоendjoeng teja, ki patih njĕmbah ngawangsoel, eta mah tjeuli noe lijan.
  2. Тina dipoendoetan boekti, koering toeloej ka pandjara, doemadak aja noe paeh, toeloej dikeureut tjeulina, radja langkoeng boengahna, sarta raden patih toeloej, njarijosna gĕmĕt pisan.
  3. Ті barangna rek dipeuntjit, toeloej datang ka ngowonа, moerangkalih ĕnggeus gĕde, diwoeroek elmoe djeung tata, sarta ladjĕng ngoembara, ditoetoer hanteu kalaroeng, malah datang ka djĕnĕngna.
  4. Djadi pangeran dipati, ajeuna geus djadi radja, marentah sami boepatos, mangkoe saboewana Тjĕmpa, sarta reudjeung pintĕrna, lakoe hanteu tinggal elmoe, lampah teu tinggal panalar.
  5. Kеur mangsa rahaden patih, netelakeun lampah poetra, radja kawas anoe ngimpen, raraj reup geuneuk raj pijas, heran tjampoer djeung soeka, ras eling ka njai Тоendjoeng, ĕnggeus katjipta manisna.
  6. D A N G D A N G G O E L A.

  7. Kangdjĕng radja sarĕng raden patih, sasaoeran loehoer papanggoengan, awit mantjĕran srĕngenge, dongkap ka toenggang goenoeng, anoe ngiring ponggawa mantri, hempak dijoek di handap, sarta pada bingoeng, ngomong djeung pada batoerna, kangdjĕng radja naha mana lila teuing, di loehoer sasaoeran.
  8. Goenĕm tjatoer sarĕng raden patih, kawas aja pĕrkara rasijah, sasaoeran tingharewos, koe batoerna diwangsoel, tangtoe bae aja prakawis, malah ti kamarina, radja sĕmoe
[ 82 ]

    ngangloeh, oelat kawas kaedanan, hoelang-hoelĕng beda pisan ti sasari, tangtoe keur ngangloeh manah.

  1. Ĕnggeus kitoe sang ratoe ngalahir, adi patih moenggoeh karĕp kakang, si pawarang peuntjit bae, geus pantĕs meunang hoekoem, kakang sangeuk ngadeuleu deui, raden patih oendjoekan noen agoeng panoehoen, moegi oelah kirang timbang, mana teuing kongasna kamana-mĕndi, radja nilasan garwa.
  2. Anggoer ingkeun sina panas ati, ningal Toendjoengsari meunang bagdja, diasoepkeun ka kadaton, djadi pawarang ratoe, eta kitoe pirĕmpoeg koering, kangdjĕng radja ngandika, adi rĕmpoeg kitoe, pawarang siksaänana, hajoe adi ĕnggeus boerit, oerang balik, ladjĕng sang radja djĕngkar.
  3. Ĕnggeus peuting soempingna ka boemi, ladjĕng radja koelĕm di mandapa, pawarang ĕnggeus roemaos, roemasa meunang bĕndoe, reh sang radja hapteu ka boemi, toeloej njai pawarang, moeka tjoepoe-tjoepoe, ngoelaskeun minjak asihan, matĕk kemat asihan si koekoekmoedik, tatapi kabeh tjambal.
  4. Djimat djampe teh taja noe matih, malah-malah djadi pitjeutjeuban, nji pawarang hanteu sare, malah sapeuting djĕpoet, koe sang radja hanteu di tolih, pawarang langkoeng bingbang, gĕdĕbag gĕdĕboeg, katjatoerkeun geus braj beurang, raden patih geus mĕtakeun para mantri, bade ngangkat karija.
  5. Tataheuhan kabeh geus tarapti, topeng ronggeng taja kakoerangan, oemboel-oemboel lawe rontek, diatoer teu kaliroe, didjadjarkeun ti djĕro poeri, nĕpi ka kapatihan, pra ponggawa koempoel, sadija pada maridang, djeung bodjona dikĕloen koe raden patih, taja anoe kaliwat.
  6. Raden patih geus natakeun baris goelang-goelang rawoeh kadjinĕman, oepatjara djeung montereng, sarawoeh toekang pajoeng, ĕnggeus boedal ti pantjaniti, mora ka kapatihan, katjatoer sang praboe, tjalik ngantos di mandapa, nji pawarang midangdam djeung ngariringkit, geus tĕrang meunang bedja.
  7. Katjarita nji mas Toendjoengsari, ĕnggeus dangdan
[ 83 ]

    anggo noe moelja, eukeur dadasarna sae, nganggo noe sarwa mantjoer, tambah endah geulis raspati, pantĕs djadi pawarang, timpoeh ampoeh loenggoeh, asoep kana paribasa, keur meudjeuhna poetra hidji keur goemeulis, ngelehkeun kapawarang.

  1. Ladjĕng djĕngkar nji mas Toendjoengsari, dipadjĕngan gilap mantjoer herang, para istri ngiring kabeh, garwa dĕmang toemĕnggoeng, dipajoenan oepatjara sri, tanda pawarang radja, rasmina kalangkoeng, anoe nongton kikis reuntas, djadi tjatoer lamoen пji mas Toendjoengsari, bade djadi pawarang.
  2. Ĕnggeus soemping njimas Toendjoengsari, kadjro poera tjalik di mandapa, sarĕng radja geus pasondong, garwa para toemĕnggoeng, di poengkoereun hempak tjaralik, ponggawa pamĕgĕtna ngadjadjar di pajoen, Dewakeswari ngandika, he sakabeh arja toemĕnggoeng ngabeui, ajeuna dawoeh koela.
  3. Watĕs poewe ijeu Тоendjoengsari, didjoengdjoengkeun didjieun pawarang, mangkoe sadjĕro kadaton, marentah para maroe, djeung disalin ngaraña deui, ratoe Sĕkarkantjana, marijeum djoemĕgoer, ngagoeroeh sora gamĕlan, tandang angkat ngadjĕnĕngkeun prameswari, pawarang Sokadana.
  4. Ĕnggeus kongas jen nji Toendjoengsari, geus diangkat djadi pawarangna, oerang djĕro soeka kabeh, kotjap pawarang sĕроеh, liwat langkoeng doeka prihatin, noempi di pasarejan, nangis sĕgrak-sĕgroek, sieun pabaoer djeung era, geus karaos andjeuna nое djoelig dĕngki, rasijahna kaboeka.
  5. Katjatoerkeun noe keur pada asih, radja sarĕng nji Sĕkarkantjana, keur pada oleng panganten, kalangkoeng loeloes roentoet, hanteu pisan anggang satjinggir, tjalikna rerendengan, dina kasoer soesoen, geus meunang satĕngah boelan, oenggal peuting noe dipisaoer ngan Pandji, sarta lampah andjeuпа.
  6. Kапgdjĕng radja njaoer raden patih, hanteu lila raden patih dongkap, njĕmbah ladjĕng tjalik mando, Dewakeswari njaoer, kakang ingĕt bae ka Pandji, Lĕmboewoeloeng di Тjĕmра, поe geus djĕnĕng ratoe, ajeuna parentah kakang, adi
[ 84 ]

    koedoe mijang manggihan ki Pandji, ala reudjeung bodjona.

  1. Kakang bangĕt nja hajang papanggih, poma-poma oelah teu kabawa, indil sarimbit djeung bodjo, ki patih njĕmbah matoer, noen soemoehoen timbalan goesti, abdi geus tangtoe enggal, ka Tjĕmpa loemakoe, ngĕmban timbalan gamparan, sarĕng tangtoe koe djisim koering kairing, kang poetra doewanana.
  2. Ladjĕng bae sang radja maparin, pisangoeweun harta pirang-pirang, sarta pisalin panganggo, pĕdang mas sareng doehoeng, koe ki patih ĕnggeus ditampi, raden patih pamitan, moendoer goera-giroe, soemping ka boemi popojan, ka garwana hajoe njai oerang indit, ka Tjĕmpa dipiwarang.
  3. Langkoeng soeka-boengah njai patih, eukeur hojong parĕng dipiwarang, ladjĕng dangdan-dangdan bae, panakawan karoempoel, katjatoerkeun ĕnggeus tarapti, ladjĕng ki patih mangkat, garwana tea kantoen, santana koelawargana, indit sirib reja ponggawa noe ngiring, istri dina tandoewan.
  4. Ĕnggeus nĕpi ka sisi basisir, noempak kapal toeloej beber lajar, gantjangna noe manggoen tjrijos, di djalan teu katjatoer, palaboewan geus katingali, wĕwĕngkon boemi Tjĕmpa, kapal geus balaboeh, goeloeng lajar laboeh djangkar, njeungeut marjĕm tanda hormat rehna soemping, ti darat dibalĕsan.
  5. Sora marjĕm geus asa kaindit, tingdjalĕgoer kawas goenoeng rĕbah, toemĕnggoeng noe toenggoe benteng, tina geus meunang dawoeh, langkoeng hormat ka raden patih, ladjĕng mapag ka kapal, sarĕng nji Toemĕnggoeng, toeloej loengsoer nitih sampan, ĕnggeus dongkap ka darat hormatna leuwih, ngagoeroeh tatabeuhan.
  6. Di plaboewan ngan meunang sawĕngi, isoek-isoek djĕboel piwarangan, mawa tandoe djeung gĕrĕbong, baris titihan iboe, noe ngiringkeun ponggawa mantri, koeda baris ramana, sabrĕgna araloes, isoek-isoek ladjĕng djĕngkar, doer marjĕmna ngagoeroeh tarompet soeling, rame sora gamĕlan.
  7. Djalan pinoeh koe ponggawa mantri, ngadjadjapkeun
[ 85 ]

    sarĕng koe noe mapag, tjarita gantjangkeun bae, tjatoerkeun ĕnggeus tjoendoek, ka saketeng loewar nagari, majak para satrija, anoe ngiring ratoe, ngadjadjar oepatjarana, radja loengsoer tina palinggahan koersi, mapagkeun iboe rama.

  1. Raden patih sarĕng njai patih, ĕnggeus loengsoer radja mamandapan, koe rama gabroeg dirontok, soemawoña koe iboe, iboe rama poetra narangis, ladjĕng sang radja njandak tjalik kana bangkoe, di pasangrahan dadakan, ĕnggeus aso ladjĕng pada djĕngkar deui, ngaboedjĕng ka nagara.
  2. Di loeloeroeng djĕdjĕl heurin oesik, toeroet djalan panggoeng pangrentengan, sisi djalan di bebetek, dongkap ka aloen-aloen, tatabeuhan asa kaindit, geus soemping ka djro poera, sadaja geus loengsoer, ratoe prameswari Tjĕmpa, mapak iboe diiring koe para sĕlir, djeung garwa pra ponggawa.
  3. Ladjĕng moendjoeng ngahatoerkeun bhakti, geus tjaralik di mandapa moelja, noe marek hempak ngaderes, ladjĕng marjĕm djoemĕgoer, seket kali asa kaindit, teu lila ladjĕng dongkap, ti pawon soesoegoeh, kadaharan noe ngareunah, ladjĕng dahar langkoeng soeka manah goesti, koempoel djeung iboe-rama.
  4. Dalalahar satrija boepati, rarijoengan priboemi djeung semah, soesoegoeh ti djro kadaton, rahaden patih njaoer, ama ngĕmban timbalan goesti, rama di Sokadana, andjeun teh disaoer, sarĕng raji prameswara, ajeuna teh toewang iboe geus diganti, ratoe Sĕkarkantjana.
  5. Nji pawarang anoe hiri dĕngki, noe ngadjĕroem ajeuna kaloewar, dipindahkeun ti kadaton, radja Tjĕmpa ngawangsoel, djalma anoe sok hiri dĕngki, tara meunang djamoega, sok meunang panaoer, hoetang wirang majar wirang, poerwa djalma oelah pisan hiri dĕngki, koedoe tampa pamajar.
  6. Djeungna deui prakawis sim koering djeung poen bodjo disaoer koe rama, djisim koering langkoeng atoh, nadjan taja panjaoer, sĕdja djisim koering pribadi, marĕk ka Sokadana,
[ 86 ]

    rek moendjoeng ka sĕpoeh, doemeh geus tjatjap nja lampah, djadi radja mĕngkoe boemi njakrawati, poetjoeng ngaganti tĕmbang.

    POETJOENG.

  1. Sadajana piwoeroek ama kasoeroep, taja anoe salah, sakabeh noe geus kalakon, poerwa koering datang ka djoemĕnĕng radja.
  2. Таja lijan kadjawi piwoeroek sĕpoeh, anoe dipilampah salamina dipitjonto, moegi koering bisa malĕs kawĕlasan.
  3. Panijatan koering manawi dikaboel, poen Pandji Pamĕkas, mangke ngagĕntos ngaraton, Sokadana ngawoelakeun koelawarga.
  4. Djadi wakil makajakeun rama-iboe, ari sim koering mah, geus gĕnah di dijeu bae, doemadakan geus aja marga lantaran.
  5. Poen Pamĕkas dikoekoet koe rama praboe, pinanggih loeloesna, rahaden patih ngawalon, poen bapa mah kabeh-kabeh ngan ngiringan.
  6. Noe ditĕda ngan moegi loeloes rahajoe, moenggoeh poen bapa mah, poelang-anting ngendjeng bae, sanggeus kitoe ladjĕng sadaja boebaran.
  7. Raden patih dikoelĕmkeun di kadatoen, panakawañana, di pakoewon kadipaten, ĕnggeus meunang sapoeloeh wĕngi lilana.
  8. Наnteu kirang kasoekaän djeung soesoegoeh, sarĕng pahormatan, oenggal peuting oenggal powe, soekan-soekan ngaboektikeun soekamanah.
  9. Radja Тjĕmpa njaoer arija toemĕnggoeng, satrija ponggawa, geus pada ngadĕheus kabeh, patih Тjĕmpa anoe tjalik pangpajoeña.
  10. Radja njaoer he sakabeh ponggawa goeng, geura pada
[ 87 ]

    dangdan, tandoe djoli djolang grĕbong, powe isoek kawoela djeung njai mijang.

  1. Pra ponggawa sami ngawalon ka ratoe, pangestoe gamparan, geus pada sadija kabeh, tandoe djoli djeung grĕbong ngan kantoen djĕngkar.
  2. Abdi-abdi anoe baris njoehoen nanggoeng, geus koempoel sadaja, koeda gadjah koempoel kabeh, di plaboewan kapal ĕnggeus didangdanan.
  3. Katjatoerkeun isoekna djĕngkar sang praboe, radja nitih koeda, prameswari dina grĕbong, ngaleut ngeungkeuj ngĕmbat-ngĕmbat njatang pinang.
  4. Anoe ngiring bral ngabantaj broel ngagimboeng, prabot karadjaän, oepatjara djeung montereng, goelang-goelang anoe maranggoel bandrangan.
  5. Kaänginan oemboel-oemboelna mĕlĕngkoeng, ngĕrab banderana, lawe rontekna ngaderes, kangdjĕng radja nitih koeda dawoek ligar.
  6. Koeda njirig narimbang tabeuhna ngoengkoeng, koeda mamandapan, narimbang sora tarompel, rĕngkak-rĕngkak tindakna matak kasmaran.
  7. A S M A R A N D A N A.

  8. Di poengkoereun aja deui, rahaden dĕmang Oerawan, koeda dawoek kĕmbang kaso, ngagĕm kasenapatijan, siga Sindoekalangan, koeda tjongklang manggoet-manggoet, narimbang sora gamĕlan.
  9. Katema koe para mantri, satrija para ponggawa, koedana pahade-hade, Djanggala koedana djangdjan, Djanggali koeda napas, koeda djogdjrog angkag-oengkoeg, dipeupeuh ĕnte-ĕntejan.
  10. Matak waäs noe ningali, ninggal aleutan noe angkat,
[ 88 ]

    měněran waktoe mamareng, moesim rek ngangkat katiga, lenglang hade powena, gantjangna noe mangoen tjatoer, geus soemping ka palaboewan.

  1. Hormatan asa kaindit, topeng ronggeng bangbarongan, ngagoeroeh pelog djeung renteng, ki toemenggoeng palaboewan, langkoeng-langkoeng hormatna, kangdjěng radja sarěng ratoe, geus asoep ka pantjalikan.
  2. Para mantri anoe ngiring, sadaja ěnggeus měrěnah, pada ěnggeus boga pondok, sawěngi di palaboewan, isoekna geus sajaga, abdi-abdi geus karoempoel, ladjěng kangdjěng radja djěngkar.
  3. Ngaleut ngeungkeuj di basisir, radja sarěng prameswara, angkatna njaratjad bae, pada dipadjěngan gilap, di pajoen oepatjara, di poengkoereun broel ngagimboeng, mantri istri paměgětna.
  4. Radja sarěng prameswari, ladjěng sami nitih sampan, djeung garwa pra mantri kabeh, ngiring di sampan titihan, ěnggeus soemping ka kapal, marjěm di seungeut djoeměgoer, kapal teh indit-inditan.
  5. Tagiwoer para kalasi, tarik djaěgkar beber lajar, kapal pangiring sakabeh, salapan kapal rejana, kasapoeloeh titihan, pada ngaraleut di poengkoer, hidji kapal sasangoewan.
  6. Oenggal parahoe dieusi, tatabeuhan pahoermatan, langkoeng matak waäs bae, patembal djeung sora lambak, kalětir pipikiran, kapal salapan di poengkoer, poengkoereun kapal titihan.
  7. Gantjangna noe mangoen goerit, geus soemping ka palaboewan, djagdjag tanginasna matros, laboeh djangkar goeloeng lajar, sarta pasang bandera, njeungeut marijěm djoeměgoer, djědoer tjara goenoeng rěbah.
  8. Sorana asa kaindit, ti darat geus ditembalan, toeloej radja loengsoer bae, nitihan sampan djeung garwa, sarta para ponggawa, abdi abdi hanteu kantoen, sarawoeh koeda gadjahna.
  9. Parabot taja noe kari, gamělan hanteu kaliwat, geus
[ 89 ]

    dibawa toeroen kabeh, dikoendjal kabeh ka darat, disikĕt koe bakoena, diatoer tjara kapoengkoer, ditata tjara katoekang.

  1. Hanteu pasĕlang pahili, sigĕgkeun heula sakĕdap, katjarijos di djĕro benteng, di nagara Sokadana, radja geus tampi sĕrat, ibĕr poetra sarĕng mantoe, ajeuna aja di djalan.
  2. Sri maha Dewa Keswari, geus miwarang tata, pahormatan ĕnggeus entep, katja-katja oenggal lawang, bĕbĕtek toeroet djalan, lawe rontek oemboel-oemboel, ngĕrab-ngĕrab banderana.
  3. Para mantri geus tarapti, para ponggawa sajaga, koempoel pada midang kabeh, saparo noe baris mapag, saparo noe ngadjaga, anoe ngoeroes soegoeh tamoe, sarta ngoeroes tĕtĕbahna.
  4. Toemĕnggoeng arja ngabeuhi, dĕmang rangga kandoeroewan, di aloen-aloen ngaberes, kari ngantosan timbalan, ĕnggeus njandingkeun koeda, ngadeukeutkeun gadjah tandoe, katjarita sri mah radja.
  5. Geus nimbalan raden Pandji, he pamĕkas anak bapa, geura dangdan masing hade, mapag kakang radja Tjĕmpa, ngadjĕdjĕran ponggawa, raden Pandji njĕmbah matoer, soemoehoen dawoeh gamparan.
  6. Toeloej nganggo raden Pandji, panganggo radja kapoetran, sing sarwa hoeroeng montjorong, niroe raden Pantjawala, raden Pandji pamĕkas, geus bidjil ka aloen-aloen, nitih koeda megantara.
  7. Ngagoeroeh tarompet soeling, tĕngara ngijangkeun bala, para ponggawa sakabeh, tjeklak pada toenggang koeda, ngiring Pandji pamĕkas, oepatjarana di pajoen, kiwa tĕngĕn kapĕtĕngen.
  8. Koeda mamandapan njirig, narimbang sora gamĕlan, oengkĕdna narimbang goöng, kawas koeda dina wajang, soeroep reudjeung noe toenggang, koneng lĕngkeh ampoeh loenggoeh, kasep lain kaoelinan.
  9. Raden Pandji ĕnggeus soemping, ka pasangrahan dadakan, beunang ngagĕntakeun bae, njondongkeun sang praboe
[ 90 ]

    Tjĕmpa, teu lila katinggalan, oemboel-oemboelna mĕlĕngkoeng, ngĕrab-ngĕrab banderana.

  1. Rahaden Pandji ngalahir ka sakabehna ponggawa, gĕwat sadijakeun kabeh, itoe bandera katinggal, koemĕlab lapat-lapat, para ponggawa tagiwoer, njikĕp sa bakoe-bakoena.
  2. Panajagan geus tarapti, kari ngantosan soempingna, ponggawa sadija kabeh, poetjoeking baris geus dongkap, doer bĕdil tjloeng angkloengna, djalma reja pabalijoet, semah reudjeung pamadjikan.
  3. Prahoe Tjĕmpa geus ningali, ka raden Pandji Pamĕkas, manahna nangtoekeun bae, jen eta Pandji Pamĕkas, sang praboe ngagoepajan, ladjĕng raden Pandji moendjoeng, koe sang praboe dioesapan.
  4. Raden Pandji moendjoeng deui, ka raka sang prameswara, toeloej ponggawa sakabeh, para mantri Sokadana, moendjoeng ka praboe Tjĕmpa, sanggeusna pada maroendjoeng, kangdjĕng radja ladjĕng djĕngkar.
  5. Djadi tambah rame rasmi, ponggawa doewa nagara, djadi sa alĕtan bae, pra ponggawa Sokadana, noe leumpang pangheulana, ponggawa Tjĕmpa di poengkoer, broel ngagimboeng bral ngabantaj.
  6. Hanteu anggang raden pandji, di poengkoereun raka radja, pada njirig koedana teh, malang-malang mamandapan, angkloeng ninggang wirahma, sakalangkoeng matak loetjoe, kawas Kama Djaja kĕmbar.
  7. Doewanana kasep lĕnggik, siga dewa sakĕmbaran, djol doengkap ka djro saketeng, loeloeroeng pinoeh koe djalma, pasar waroeng rareuntas, boel tjoendoek ka aloen-aloen, noe nongton pasĕlĕbroengan.
  8. Ramena asa kaindit, soerakna ajeuh-ajeuhan, ngagoeroeh renteng djeung pelog, topeng ronggeng bangbarongan, toeloej sang radja Tjĕmpa, reudjeung garwana laloengsoer, di latar paseban kĕmbar.
[ 91 ]
  1. Sampojong raka djeung raji, moendjoeng ka iboe ka rama, iboena gabroeg ngarontok, bari nangis mĕlas-mĕlas, sakoer anoe ningalan, pada miloe sĕgrak-sĕgroek, sadaja ngiring nalangsa.
  2. Ngaraskeun djalmana tadi, basana meunang djĕroeman, eukeur dibobotkeun keneh, meh hanteu gĕlar di doenja, sang praboe Sokadana, njaoer bari sĕgrak-sĕgroek, sarta njoesoetan tjisotja.
  3. He adi kakang ki patih, tjoekangna kasalamĕtan, kakang kahoetangan gĕde, karana ijeu pĕrkara, adi djadi lantaran, sasat anoe noemboe oemoer, mandjangkeun kasalamĕtan.
  4. Malah kakang boga djangdji, ngaboektikeun panarima, soepajana djadi tjonto, djalma estoe koemawoela, hanteu alang-kapalang, noe djadi papatih ratoe, mandjangkeun kalakoean radja.
  5. Ĕnja anoe tjara adi, tĕgĕsing patih mapatah, patih patitis-pateles, bĕrĕsih loewar djĕrona, wadjib meunang gandjaran, radja bari njaoer kitoe, ngareret ka radja Tjĕmpa.
  6. Koe radja Tjĕmpa kasoerti, katampanan sakĕrsana, toeloej ka rama ngawalon, lĕrĕs pangandika rama, ijeu moenggoeh poen bapa, noe djadi marga rahajoe, geus koedoe meunang gandjaran.
  7. Mĕnggah pamikir sim koering, manawina karoedjoekan, sae dipoelang kaprabon, karadjaän Sokadana, pasihkeun ka poen bapa, masingna djoemĕnĕng ratoe, poen adi Pandji Pamĕkas.
  8. Ari mĕnggah djisim koering, geus gĕnah di dajeuh Tjĕmpa, sanadjan lain waris ge, katalijan koe doerijat, sarĕng moenggoeh gamparan, djadi santosa kalangkoeng, ngawĕngkoe doewa nagara.
  9. Sang praboe sĕpoeh ngalahir, agoes bĕnĕr kitoe pisan, rasa ama hanteu geseh, agoes djeung adi Pamĕkas, tangtoe meureun saroewa, njaäh ka ama ka iboe, djeung djadi rĕkah toeroenan.
  10. Para mantri anoe ngoeping, kabeh panoedjoeweun pisan,
[ 92 ]
    taja anoe mikir geseh, soemawoña mantri Tjĕmpa, boengah kabina-bina rasa tĕtĕp boga ratoe, sabar adil palamarta.
  1. Tadi pikirna rarisi, sakabeh ponggawa Tjĕmpa, sijeun radjana ngalejos, tea moelih deui ka Tjĕmpa, asoep ka paribasa, moentjang laboehna ka poehoe, kĕbo moelih pakandangan.
  2. Geus lilir noe pada nangis, toeloej djĕboel soesoegoehna, geus kitoe taroewang kabeh, geus dahar ladjĕng boebaran, ari sang praboe Tjĕmpa, koelĕmna di boemi iboe, ari abdina noe reja.
  3. Di atoer dibagi-bagi, di pakoewon pra ponggawa, ngan dĕmang Oerawan bae, mondokna di kapatihan, Djanggali djeung Djanggala, mondokna di djro karoempoel, hanteu anggang ti goestina.
  4. Oenggal powe oenggal peuting, hanteu loewang soekan-soekan, sarta koekoempoelan bae, geus meunang satĕngah boelan, ladjĕng sang praboe Tjĕmpa, oendjoekan ka rama praboe, kijeu pioendjoek sang radja.
  5. Koemapoeroen djisim koering, njoendoel pioendjoek ka rama, agoeng pangapoentĕn bae, ngalalantjangan ka kĕrsa, prakawis poen Pamĕkas, meudjeuhna didjoengdjoeng loenggoeh, jadi wawakil gamparan.
  6. Sang praboe sĕpoeh ngalahir, agoes bĕnĕr nanakĕran, tatapi karĕp ama teh, meungpeung hiroep keneh ama, hajang noengkoelan inja, djĕnĕngkeun sakali ratoe, ama seseren karadjaan.
  7. Reudjeung karĕp ama deui, moenggoehing radja barana, hade diparokeun bae, dina roepa teuteuasan, kaja intĕn mas perak, kabeh keur bagejan agoes, bawaeun ka dajeuh Tjĕmpa.
  8. Ari sipat sapi moending, koeda gadjah ĕmbe domba, sarta parabot kaprabon, baris ki Pandji Pamĕkas, djeung deui karĕp ama, lamoen rĕmpoek hajang isoek, meungpeung keur pada koempoelan.
  9. Pra boepati tatjan balik, taja anoe didagowan, sang
[ 93 ]

    praboe Тjĕmра ngawalon, isoek ge sĕdja ngiringan, mowal aja kakirang, lĕrĕs meungpeung sami koempoel, sĕpoeh anom di nagara.

    S I N O M.

  1. Тоеloej sang praboe nimbalan, njaoer raden arja patih, gandek noe nampa dawoehan, kĕbat leumpang goesak-gasik, raden patih kairing geus dongkap ka djro kadatoen, tjalik narimbang sĕmbah, sang radja sĕpoeh ngalahir, sĕr kadieu adi masing deukeut pisan.
  2. Аjeuna teh karĕp kakang di powe isoek si Pandji, didjĕnĕngkeun djadi radja, mangkoe boemi njakrawati soepaja oelah risi, djĕnĕng ditoenggoe koe sĕpoeh, ari adi djeung kakang, mareman tjitjing di sisi, ngaping anak bisi aja kasoesahna.
  3. Аri pipatiheunana, alona si Тоendjoengsari, ngaran si Pandji Pamitra, angkat patih mangkoe boemi, teu woedoe oge radjin, djaoeh tina langsoeng langgoek, ki patih ngawaIonan, ngiringan sakĕrsa goesti, kabeh-kabeh abdi ngadjoengdjoeng sakĕrsa.
  4. Sang radja deui ngandika, he adi kakang ki patih, ĕlos geura ka paseban, ngoempoelkeun para boepatih, para pongawa mantri, natakeun keur baris isoek, rahaden patih njĕmbah, geus moendoer ti linggih goesti, ka paseban ngadawoehkeun satimbalan.
  5. Ті pantjaniti boebaran, radja kitoe deui radja Тjĕmpa, doewanana kaganti peuting, ti peuting hanteu katjatoer, kakotjapkeun isoekna, geus koempoel para bopati, raden patih di paseban tata-tata.
  6. Rahaden Pandji Pamĕkas, dirijoeng koe para mantri, didangdanan karadjaän, nganggo anoe sarwa leuwih, djamang
[ 94 ]
    patingkarĕtip, tarĕtĕр djoemantĕn hoeroeng, lantjingan tjinde kĕmbang, sindjang songket bandjarsari, kasep lĕngkeh kawas Dеwa Kama Djaja.
  1. Раndji Pamitra geus dangdan, panganggo noe sarwa leuwih, nganggo-nganggo kapatihan, noeroetan raden Sĕntjaki, kotjap ĕnggeus tarapti, di paseban pra toemĕnggoeng, balad noe baris mapag, doer bĕdil nginditkeun baris, titihaneun djampana di hoeloe singa.
  2. Ngadjadjar oepatjarana, kaparĕk maranggoel bĕdil, lawe rontekna ngadjadjar, bĕbĕgig heula pandeuri, matak waäs ningali, oemboel-oemboelna mĕlĕngkoeng, badawangna ti toekang, dipatoet Soegriwa bali, pada mawa gada siga noe keur pĕrang.
  3. Kоеda kosong kasinoman, heulaeun djampana djoli, rarahab sakĕlat moebjar, koeda malang njirig-njirig, djeung diраjoengan koening, moetoeh matak pisan loetjoe, para mantri ponggawa, patĕgĕр paginding-ginding toenggang koeda pada пjirig tjotjongklangan.
  4. Вroel ngagimboeng bral ngabantaj, indit ti paseban djawi, пgadjoegdjoeg ka kapatihan, teu lila baris geus nĕpi, toeloej rahaden Pandji, nitih djampana noe hoeroeng, ari Pandji Раmitra, poengkoereun rahaden Pandji, nitih koeda malang-malang kĕris ladrang.
  5. Ngarak saloewar nagara, soerakna asa kaindit, gang ging goeng sora gamĕlan, sora tarompet djeung soeling, kotjap di pantjaniti, ĕnggeus koempoel para sĕроеh, hempak para najaka, radja sĕpoeh ĕnggeus linggih, dina korsi papajoen-раjoen djeung poetra.
  6. Ĕnggeus kitoe ladjeung dongkap, radja bakal raden Рandji, loengsoer di latar pamĕngkang, dipadjĕngan gilap koening, diaping para mantri, di pajoen para toemĕnggoeng, ladjeung koe praboe Тjĕmpa, ditjalikeun dina korsi, pra ponggawa hempak ngadjadjar di handap.
  7. Ĕnggeus nĕрi ka dawoehna, sang radja sĕроеh ngalahir,
[ 95 ]

    barina njandak makoeta, he sakabeh praboe patih, ajeuna ijeu si Pandji, didjoengdjoengkeun djadi ratoe, ngaran Dewabrata, ngadĕg barina ngalahir, djeung nĕгарkeun makoeta kana mastaka.

  1. Djĕdoer marjeum geur gamĕlan, pra ponggawa para mantri, njoemoehoenkeun sadajana, ngimankeun sakĕrsa goesti, ladjĕng ngangkat papatih, Pandji Pamitra didjoengdjoeng, radja anjar moendjoengan, ka praboe Тjĕmpa nagari, ĕnggeus kitoe moendjoeng ka rama ramana.
  2. Тoeloej moendjoeng sadajana, para ponggawa boepati, toeloej datang soesoegoehna, rame dahar soeka ati, walatra kabeh abdi, soesoegoeh ti djro moeroeboel, toeloej sami boebaran, radja tiloe geus maroelih, praboe sĕpoeh di djĕro keneh linggihna.
  3. Реutingna deui koempoelan, sakabeh ponggawa mantri, radja tjaralik ngadjadjar, djeung kaopat raden patih, ditjandak kana korsi, opatan paoengkoej-oengkoej, radja Тjĕmpa ngandika, bari ngareret ka raji, adi praboe Dewabrata Sokadana.
  4. Noe dilampahkeun koe kakang, eta taja-taja deui, noe matak salamĕt lampah, ngan piwoeroek ama patih, ajeuna poma adi rĕgĕрkeun kabeh piwoeroek, kakang mĕlang katjida, tina andjeun moerangkalih, kadoewana tatjan reja panjabaän.
  5. MASKOEMAMBANG.

  6. Radja eta sarat koedoe pisan adil, masing jasa nimbang, kasoesahan abdi-abdi, oelah ngadolos sakĕrsa.
  7. Мasing eling djadina ratoe koe abdi, hanteu ngadĕg radja, lamoen taja koering-koering, mana koedoe pisan heman.
  8. Lĕga taneuh oge amoen taja koering, teu aja gawеnа, mowal ngabidjilkeun hasil djeung bidjilna hasil teja.
  9. Kоеdoe pisan diatoer sarta djeung radjin, taneuh dipĕlakan, kakara rek bidjil hasil, anoe molah tangtoe djalma.
[ 96 ]
  1. Ratoe koedoe ngariksa kasoesah koering, bisi aja hama, mantri lentah njeuseup gĕtih, tjatjah teh geus tangtoe soesah.
  2. Sarta radja oelah kabitaän tening, koe banda rahajat, bisi djaheut pikir koering, mĕngke teu nijat babanda.
  3. Lamoen aja babandaän abdi-abdi, noe pantĕs di menak, noe sigit aja di mantri, hade galeuh sahargana.
  4. Moen teu kitoe tangtoe djaheut pikir koering, ngarandĕg pikirna, da sijeun dipoendoet deui, tjatjah teu aja madjoena.
  5. Lamoen tjatjah tĕtĕp salawasna miskin, radja ge malarat, tangtoe bae koerang hasil, tjoeke dagang tangtoe koerang.
  6. Radja eta beunang oge djijeun misil, oepama nangkoda, noe sok lajar wara-wiri, koedoe toelaten ka kapal.
  7. Djeung toelaten ka lampah-lampah kalasi, moen matros-matrosna, kana kapal koerang apik, tangtoe kapal tereh roeksak.
  8. Moen geus roeksak kalĕboeh toengtoengna leungit, reudjeung nangkodana, kalĕm tangtoe mowal kari, ari lampah kapal teja.
  9. Koedoe aja djoeroe-kamoedi noe ngarti, pintĕr moealimna, noe njaho oeroesan angin, soepaja nĕpi maksoedna.
  10. Djeung sanadjan aja moealim noe ngarti, tapi hanteu aja, noe djadi djoeroe-kamoedi, poegag taja pangingĕrna.
  11. Nadjan ampoeh moealim djoeroe kamoedi, tapi hanteu aja djalma noe djadi kalasi, mowal keneh bisa djalan.
  12. Noe djoemĕnĕng ratoe eta kitoe deui, dajeuh misil kapal, ari moealimna patih, djoeroe moedi misil djaksa.
  13. Kalasina oepama poenggawa mantri, tali sarta lajar, nja eta misil noe leutik, kapal oepama nagara.
  14. Ari njijeun patih koedoe anoe radjin, noe pandjang ingĕtan, ngoeroes lakoe lampah abdi, djaksa noe pageuh pikirna.
  15. Hanteu beunang dibibitaän koe doewit, soepaja ngaroeksak, kana pahoekoeman adil, nja eta roeroeba teja.
  16. Djaksa koedoe bĕnĕr lampahna pribadi, soepajana bisa, ka djalma noe salah sĕngit, teu sijeun kabawa salah.
[ 97 ]
  1. Lamoen djaksa lakoe lampahna teu bĕrsih, mowal bisa njaram, sijeun dibalĕskeun deui, toengtoengna dajeuh baroentak.
  2. Radja wadjib ngaraksana ka noe leutik, djeung ka pakajana, salamĕt badan djeung diri, toempoerkeun sagala hama.
  3. Mantri-mantri noe djĕpit koedoe disĕngit, maoeng djeung boehaja, toempoerkeun soepaja leungit, sakabeh noe djadi hama.
  4. Ratoe wadjib njijeun djalan wara-wiri, troes ka dajeuh lijan, keur noe dagang poelang-anting, hanteu kanti kasoesahan.
  5. K I N A N T I.

  6. Mesĕm lĕlĕb radja sĕpoeh, langkoeng soeka manah goesti, ngadangoe poetra miwĕdjang, naha mana bejak teuing, taja lampah noe kaliwat, disĕboetkeun hidji-hidji.
  7. Radja sĕpoeh ladjĕng njaoer, he Pamĕkas oelah lali, eta sapiwoeroek kakang, tangtoe salamĕt nja diri, radja Dewabrata njĕmbah, moegi aja djijad goesti.
  8. Wĕrat niroe sapiwoeroek, kangdjĕng kakang sri boepati, ti dinja ladjĕng boebaran, pada maroelih ka boemi, oenggal isoek magĕlaran, koempoelan mantri boepati.
  9. Djeung oenggal wĕngi diwoeroek, titi pamĕngkoe nagari, lampah ngaheujeuk nagara, patih anjar kitoe deui, diwoeroek elmoe djeung tata, wadjibna moenggoeh papatih.
  10. Tata-titi tindak-tandoek, noe djadi wawakil goesti, kijeu woeroek praboe Tjĕmpa, he Pamitra oelah lali, maneh djadi patih radja, koedoe patitis nja boedi.
  11. Lamoen aja lampah ratoe, anoe teu soeroep djeung pikir, oelah rek oepat soemoewat, koedoe oendjoekeun ka goesti, pioendjoek bakal tĕmahna, soepaja loeloes nagari.
  12. Tjindĕkna koedoe di tiroe, eta kangdjĕng bapa patih, koe maneh meureun katingal, koedoe kitoe nja papatih, sarta kijeu baloekarna, papatih anoe patitis.
[ 98 ]
  1. Ki Pamitra njĕmbah matoer, moegi agoeng djijad goesti, kadjawi djijad gamparan, noe ditĕda beurang peuting, moegi estoe koemawoela, ka raji gamparan goesti.
  2. Sokadana tambah gĕmoeh, para mantri woewoeh soedi, pra ponggawa woewoeh soeka, soemawon para boepati, patih djeung radja magawan, doewanana pada ngaping.
  3. Asih nagara diatoer, oepĕti dibagi-bagi, didamĕl lima doeoeman, sadoeoeman ka kipatih, doewa bagijan ka radja, noe doewa bagijan deui.
  4. Di asta koe radja sĕpoeh, sang praboe sĕpoeh geus njingkir, tjalik di babakan anjar, sĕnang ngahĕnang-ngahĕning, katjatoer sang praboe Tjĕmpa, ngadeuheus pamit rek moelih.
  5. Ngadeuheus ka radja sĕpoeh, praboe Dewabrata ngiring, sarĕng djeung garwa-garwana, sadaja ĕnggeus tjaralik, ngandika praboe bagawan, ama ngeunah teuing pikir.
  6. Ningal maneh doewa praboe, panĕda ama ka goesti, ka noe moerba noe wisesa, noe ngadamĕl boemi langit, masing loeloes roentoet pisan, sakait reudjeung pangampih.
  7. Kadjeun nagara padjaoeh, sok moen padeukeut nja pikir, oepama boga kasoesah, koedoe sili toeloeng diri, djeung pada sili bedjaän, poma agoes sing areling.
  8. Doewanana njĕmbah matoer, soemoehoen timbalan goesti, sĕdja diestikeun pisan, sapiwoeroek mowal lali, sarĕng taja noe disĕdja, ngan hibar gamparan goesti.
  9. Sarĕng praboe Tjĕmpa matoer, noen manawa idin goesti, sim koering pamit rek moelang, rada hawatos nja pikir, geus lami tilar nagara, manawi aja prakawis.
  10. Kangdjĕng praboe sĕpoeh njaoer, agoes nja hade teh teuing, geus lawas tinggal nagara, boeroe-boeroe beurang-peuting, wantoe-wantoe djĕnĕng anjar, pageto agoes nja indit.
  11. Nji Sĕkarkantjana njaoer, ajeuna koetan rek moelih, iboe sono keneh pisan, ka andjeun reudjeung ka njai, tapi dalah di koemaha, anggoer sae mangke deui.
[ 99 ]
  1. Wantoening noe djĕnĕng ratoe, reja kabeurat karisi, soemawon moen masih anjar, reja kasĕmang kainggis, wajahna sono ditahan, soegan parĕng mangke deui.
  2. Ladjeung taroewang ngarijoeng, saämbĕng pamĕgĕt istri, tiloe radja sarĕng garwa, langkoeng soeka-manah goesti, ngarijoeng djeung para poetra, sanggeus toewang pamit moelih.
  3. Sri Dewabarata njaoer, ka Pandji Pamitra patih, he kakang patih ajeuna, geura miwarang tjatjawis, rehna kakang praboe Tjĕmpa, pageto ngĕrsakeun moelih.
  4. Sakabeh para toemĕnggoeng, oelah aja anoe kari, oerang ngadjadjapkeun kakang, sarĕng djeung koela pribadi, sarta dongkap ka plaboewan, ki patih matoer ka goesti.
  5. Soemangga sakĕrsa praboe, djisim koering rek tjatjawis, ngadawoehkeun satimbalan, samemeh aja pilahir, abdi-abdi geus sajaga, ngantosan timbalan goesti.
  6. Kotjapkeun dongkap ka waktoe, isoek-isoek geus tarapti, para ponggawa sadaja, parabot ĕnggeus ngabaris, oemboel-oemboel djeung bandrangan, lawe rontek hanteu kari.
  7. Geus pinoeh di aloen-aloen, djĕlĕma heurin koe bitis, malah geus leber ka pasar, pinoeh latar pantjaniti, koe istri para ponggawa, soemĕdja moendjoeng ka goesti.
  8. Ladjĕng radja Tjĕmpa moendjoeng, ka rama hormat teh teuing, sarĕng ka patih bagawan, djeung ka iboe prameswari, nji ratoe Sĕkarkantjana, kotjejak nangis ngadjĕrit.
  9. Tina tatjan warĕg tĕpoeng, wantoe-wantoe watĕk istri, istri-istri anoe reja, soemĕgroek mariloe nangis, soemawon pawarang Tjĕmpa, nangis koe bawaning kĕtir.
  10. Sang radja bagawan njaoer, ĕnggeus njai oelah tjeurik, anggoer djaga oerang ngandjang, sarta adatna lalaki, ngoembara njijar kamoeljan, tinggal asal moro asil.
  11. Di Tjĕmpa mah ĕnggeus tangtoe, oentoeng liwat tina asil, karadjaän Sokadana, ti dinja nangisna lilir, ratoe prameswari Tjĕmpa, ladjĕng bae nitih djoli.
[ 100 ]
  1. Didjadjapkeun para iboe, diiring koe para bibi, dongkap ka latar paseban, manahna kĕtir kawatir, ladjĕng kangdjĕng praboe Тjĕmpa, nitih koeda djeung kang rai.
  2. Aleutan tjara kapoengkoer, basa keur waktoena soemping, diatoer tjara karija, noe kantoen kalangkoeng sĕdih, tjara meuntas karijaän, tiiseun asa sarĕрі.
  3. Вale bandoeng asa soewoeng, pantjaniti asa sĕpi, djĕр tjara gaäng katintjak, sigĕgkeun anoe keur sĕdih, tjatoerkeun sang praboe Тjĕmpa, ka palaboewan geus soemping.
  4. Ĕпggeus sadija parahoe, sampan leutik geus ngabanding, radja loengsoer tina koeda, poetri loengsoer tina djoli, praboe anom Sokadana, moendjoengan barina nangis.
  5. Sĕgrak-sĕgroek bari njaoer, ka pangkon raka boepati, raka njoesoetan tjisotja, bari njombo ka kang rai, eh adi masing tawĕkal, montong dipake hawatir.
  6. Kakang ajeuna rek toeloej, mowal lila moelang deui, tatapi panĕda kakang, poma adi oelah lali, kana pamagahan kakang, masing ingĕt beurang-peuting.
  7. Kаkang mihapekeun sĕpoeh, ama praboe ama patih, masing jasa ngala manah, koedoe jasa meuli-meuli, adat sĕpoeh sok tjĕgoekan, ana teu kabeuli-bеuli.
  8. Geus lĕdjar sĕdih geus lipoer, ladjĕng radja sarĕng rai, geus pada naritih sampan, pra ponggawa para mantri, kantoen rai noe katilar, ningalikeun bari nangis.
  9. Kĕbatna noe mangoen tjatoer, sang praboe Тjĕmpa nagari, ĕnggeus nitih kana kapal, tangginas para kalasi, tarik djangkar beber lajar, kapal sedjen kitoe deui.
  10. Маrjĕm diseungeut djoemĕgoer, ti darat dibalĕs deui, kapal ngaleut lapat-lapat, kabĕnĕran meunang angin, sigĕgkeun noe eukeur lajar, kotjap di Тjĕmpa nagari.
  11. Sadjĕngkarna kangdjĕng praboe, ki Soera Andaka ngoeping, jen radja Тjĕmpa teu aja, datang akalna rek dĕngki, toeloej leumpang gaganjangan, karĕpna ngagoda patih.
[ 101 ]
  1. Gantjangna ĕnggeus patĕpoeng, Soera Andaka djeung patih, datang-datang ki Andaka, ngarontok barina tjeurik, pokna wĕlas koe nagara, diratoewan sedjen djinis.
  2. Pikir koering mowal loepoet, nagara dibalik boemi, sakabeh mantri ponggawa, geus tangtoe pada diganti, koe papatih Sokadana, bondorojotna dikĕrid.
  3. Anggoer andjeun djadi ratoe, di dijeu noe njakrawati, ngawoelakeun koela warga, abdi-abdi soeka ati, raden patih ngawangsoelan, kami bĕrsih pisan pikir.
  4. Taja pisan nijat kitoe, bĕlang bajah gindi pikir, da geus karsana sang radja, sarta geus dingin pinasti, reudjeung ngeunah karasana, jasa ngalap-ngalap pikir.
  5. Ki Andaka deui matoer, meureun bae djalma pĕlit, ngolo-ngolo ngabongohan, tiroe tipoe oerang kĕling, koering tĕrang meunang bedja, toeroenan noe pĕlit djoelig.
  6. Ki patih oepama toenggoel, teu obah katĕbak angin, wangsoelna soegal doek soera, maneh sok istrenan teuing, ngagoda ngadjakan papa, ti kapoengkoer maneh dĕngki.
  7. P A N G K O E R.

  8. Ngahoelĕng Andakasoera, teu katampa panggĕndamna koe patih, pangwoedjoekna teu digoegoe, anggoer ditembal soegal, ki Andaka toeloej njĕmbah amit moendoer, ngĕtĕk-ngĕtĕk djro pikirna, di imah teu wĕleh mikir.
  9. Doemadak nji patih ngandjang, toeloej bae ki Andaka ngĕtjĕwis, ka njai patih wawadoel, koering heran koe raka, hanteu pisan ngagoegoe kana pihatoer, toer wĕlas koe salirana, menak ngawoela ka koering.
  10. Teu ngaraos kalingsĕman, didjĕnĕngan koe oerang mana-mĕndi, toer andjeuña oge patoet, ngaratoewan di Tjĕmpa,
[ 102 ]

    tjoba manah lain lĕrĕs éta kitoe, handjakal koe linggih raka, teu beunang dipikawatir.

  1. Tjoba koe adjĕngan manah, patoet tĕmĕn moen djadi prameswari, disĕmbah diagoeng-agoeng, lamoen rĕmpoeg djeung raka, koering sanggoep ngadjoengdjoeng ngalawan moesoeh, radja noe keur ngalalana, oelah meunang asoep deui.
  2. Saoepama oraj-naga, moen geus bidjil tina sajangna tadi, tangtoe hanteu meunang asoep, radja mangkoe nagara, tjara kitoe moen geus bidjil ti kadatoen, tangtoe apĕs pĕrbawana, teu daekeun mĕnjat deui.
  3. Sarta gampang ngalawaña, hĕnteu reja mawana paradjoerit, tangtoe reja anoe kantoen, sarta oerang ti darat, reja bahan mowal kakoerangan sangoe, gĕdong oewang oerang boeka, bagikeun ka abdi-abdi.
  4. Nji patih rĕsĕp manahna, ngadangoekeun pihatoer anoe manis, karaos mangke geus kaboel, tjaroge djadi radja, andjeun tangtoe djadi prameswari ratoe, soeka soegih dipajoengan, diiring koe koering-koering.
  5. Ngawalon ka ki Andaka, mangke koela ngagĕdjĕg ka salaki, naha mana hanteu noeroet, ka tarekah andika, salah tĕmĕn djalma teu beunang didjoengdjoeng, soeka tĕmĕn djadi radja, sangeunahna djadi patih.
  6. Matoer deui ki Andaka, andjeun eta kongas dipikaäsih, moen ĕnja dipikaloetjoe, meureun aja tapakna, ka tjaroge sasaoer-sasaoer digoegoe, nji patih oedjoeb soewahan ngawangsoel barina indit.
  7. Soeka paeh nĕwĕk raga, lamoen hanteu digoegoe koe salaki, gantjangna nji patih toeloej, manggihan tjarogena, naros sabab naha mana teu digoegoe, pihatoer Andakasoera, toer eta njĕnangkeun diri.
  8. Patih ngawangsoel ka garwa, si Andaka njai ngadjak balai, ngadjak asoep kana tjoebloek, mawa kana piroewang, moen digoegoe, oerang tangtoe lĕboer adjoer, ngadjak ngamoesoeh ka radja, toer oerang teh mowal mahi.
[ 103 ]
  1. Mapan geus aja tjatjandran, paribasa pitoetoer nini-aki, ratoe eta tara poegoer, menak tara moenggaran, teu djamoega djalma ngamoesoeh ka ratoe, njai patih ngawalonan, barina soemĕgroek nangis.
  2. Lamoen kakang teu ngamanah, sapihatoer Andakasoera tadi, koering teh amit rek moendoer, tjitjing taja gawena, leuwih hade ngoentjloengkeun maneh ka soemoer, hiroep ge taja oenggahna, ti bareto djadi patih.
  3. Ajeuna aja lantaran, meungpeung ratoe ajeuna eukeur sĕpi, parabot reja noe kantoen, balad reja noe tinggal, keur balandja goedang oewang kabeh pinoeh, sakabeh mantri-ponggawa, ka gamparan meureun ngiring.
  4. Djeung ratoe oepama naga, moen geus bidjil tina sajangna tadi, tangtoe hĕnteu meunang asoep, ratoe ngareh nagara tjara kitoe, moen geus bidjil ti kadaton, apĕs teu aja djajana, teu daekeun mĕnjat deui.
  5. Ki patih soesah manahna, mandĕg majong geus loewak-lejok pikir, ras ka pajoen ras ka poengkoer, saoepama kijara kaänginan, tjondong ngaler tjondong ngidoel, ari ras abot ka garwa, manahna goembira wani.
  6. Ari ras bisi teu tahan, eleh djaja ki patih maras-miris, garwana njaho di sĕmoe, toeloej bae ngatijan, kakang ijĕh moen di lĕmboer kajoe randoe, pake toelak panto anggang, dipake pantjir ngadjĕdig.
  7. Dipake pantjar teu roehaj, moen dipake lakop bilik sok bĕntik, dipake pamikoel bĕngkoeng, dipake lintjar anggang, taja gawe dipake haloe ngadjĕboeg, ngeplek djawer ngandar djangdjang, mijoeni hajam kabiri.
  8. Patih tjĕngkat bari njĕntak, ngoesap raraj barina moeril koemis, kami teu sijeun koe ratoe, moen geus bidjil amarah, opat poeloeh noe pantar si Pandji Woeloeng, teu miris boeloe salambar, patina ĕnggeus katjangking.
  9. Koewat keneh nja tanaga, kadjeun tambah sapoeloeh kitoe
[ 104 ]

    deui, mowal moeringkak nja poendoek, njai oelah salĕmpang, pantĕs tĕmĕn njai dipajoengan agoeng, kadeuleu lteuing lĕjarna, doenoengan kakang noe geulis.

  1. Bari ladjĕng ka paseban, ki Andakasoera disaoer deui, teu lila Andaka djĕboel, ki patih ngagoepajan, sĕr ka dijeu ki Andaka oelah djaoeh, kawoela rek rĕrĕmpoegan, lampah pihatoer kamari.
  2. Ki Andaka madjoe nĕngah, sĕmoe atoh rasa bakal ngadjadi, ngadjakna ngamoesoeh ratoe, raden patih ngandika eh Andaka kawoela menta pirĕmpoeg, akal tarekah andika, pigeusaneun malik djoerit.
  3. Moesoeh ngalawan djoeragan, palangsijang oerang teh mowal mahi, sarta sijeun hanteu rĕmpoeg, reudjeung para ponggawa, ki Andaka soera njĕmbah bari matoer, rasa koering mowal gagal, soepaja kabeuli-beuli.
  4. Gamparan gĕde bahañna, pigeusaneun ngalap ati pra mantri, goedang oewang kabeh pinoeh, sarta koedoe sanggoepan, moen geus meunang naek djĕnĕng tambah oentoeng, sarta ditambah rahajat, tangtoe kabita koe hasil.
  5. Djalma noe hiroep di doenja, karejaän ngan hasil noe dipambrih, reja noe bĕngkah djeung doeloer, tina parĕboet doenja, langkoeng sae ajeuna kabeh salaoer, koering mangke noe madoewan, lamoen aja noe teu ngiring.
  6. Rek ngabejakeun karĕpna, mowal ĕnja djalma teu hajang moekti, lamoen aja noe moentjoegoeg, mawa bĕnĕr sorangan, hanteu miloe rĕmpoeg ragĕm reudjeung batoer, asoepkeun kana pandjara, bisi noelar mawa djĕrih.
  7. Koe ki patih geus kamanah, hanteu pisan make dipikir deui, wantoe kabawa koe napsoe, kagĕndam koe geureuha, noe katingal mamanisna djadi ratoe, toeloej bae miwarangan, ngoempoelkeun ponggawa mantri.
  8. Teu lila kabeh daratang, raden patih njaoer sĕmoena manis, he kabeh sanak sadoeloer, koela nĕda pirĕmpag, reh
[ 105 ]

    ajeuna asal ditinggal koe ratoe, diratoewan sedjen bangsa, pikir koela langkoeng risi.

  1. Tangtoe pisan lawas-lawas, oerang kabeh dipotjat mowal kari, kadjĕnĕngan oerang toempoer, diganti koe bangsana, leuwih hade was pisan ngadjadi satroe, toer oerang reja pakakas, obat mimis tangtoe mahi.
  2. Pibĕkĕleun mowal koerang, oesoem panen anjaran roempak djami, goedang oewang kabeh pinoeh, mowal koerang balandja, koela kaoel lamoen geus djoemĕnĕng ratoe, andika kabeh diangkat, sarta ditambahan hasil.
  3. Mantri ponggawa noe reja, pada keuna koe woedjoek omong manis, sadaja hatoer soemoehoen, rĕmpoeg papag koe pĕdang, koering wani ngalawan si Pandji Woeloeng, ngan aja hidji ponggawa, sĕpoeh boga tĕmah wadi.
  4. Ngahoelĕng teu ngawalonan, sĕmoe koetjĕm koe ki patih kasoerti, ti dinja toeloej disoesoel, paman Martadigoena, koela menta wangsoelan koemaha rĕmpoeg, ngabeui Martadigoena, ngawangsoel ka raden patih.
  5. Ari moenggoeh poen paman mah, hanteu rĕmpoeg eta larangan aki, djalma ngamoesoeh ka ratoe, oerang teh mowal tahan, meureun bae sakĕdapan oerang oenggoel, tapi mowal ngĕne lila, toengtoengna diboerak-barik.
  6. Itoe mah reja akalna, reudjeung reja noe pinoeloengeun deui, ramana djoemĕnĕng ratoe, malah djaba ti dinja, radja Gilingwĕsi tangtoe meureun noeloeng, di mana djalana meunang, oerang ditingkĕr koe baris.
  7. Koe poen paman geus katingal, tangtoe dajeuh Tjĕmpa diboerak-barik, moegi adjĕngan ngagoegoe, kapihatoer poen paman, poen Andakasoera aloerna wawadoel, baheula geuning koemaha, adjĕngan kawas geus lali.
  8. Ngakoe meunangkeun Panglima, kari-kari toengtoengna manggih boekti, tjatoer wawadoel maloeloe, sarĕng moenggoeh adjĕngan, koedoe eling jen dipĕrtjaja koe ratoe, kalangkoeng dipikanjaäh, ajeuna malĕs koe dĕngki.
[ 106 ]
  1. Leuheung-leuheung lamoen meunang, lamoen eleh hiroep pinoeh koe isin, atawa dipoendoet oemoer, mawa ka poetoe poetra, moewal ĕnja dianggo deui koe ratoe, disĕboet troenan karaman, toeroenan dĕngki ka goesti.
  2. Ki Andakasoera tjĕngkat, bari noendjoek si ompong goreng biwir, goreng patoet tjĕtoek dawoek, ari hanteu wani mah, montong kitoe, ngagogoreng ngaran batoer, djalma pantĕs dipandjara, hanteu rek bela ka boemi.
  3. Meureun bae manehna mah, karĕsĕpna njĕmbah asal pangarit, koe raden patih digoegoe, toeloej bae miwarang, ki ngabeui Martadigoena ditoetoep, diasoepkeun ka pandjara, reudjeung anakna lalaki.
  4. Ngarana ki Kartibaja, sanggeus kitoe ladjĕng rahaden patih, miwarang ngadoeoem-doeoem, panganggo sarĕng harta, para mantri walatra kabeh kadoeoem, wantoening lain bogana, oendoer banda aing lain.
  5. D O E R M A.

  6. Para mantri noe polos taja panalar, pada saroeka ati, hanteu ras mangkena, moen eleh meunang wirang, kabita koe oepah doewit, sakama-kama, eukeur meuli tarasi.
  7. Katjatoerkean geus koempoel tata barisna, oerang sisi dikĕrid, pinoeh di nagara, gantjang noe mangoen tjrita, doer marjĕm nginditkeun baris, sapirang-pirang, di djalan heurin oesik.
  8. Ĕnggeus dongkap barisna ka palaboewan, ngadĕngdĕng di basisir, boepati noe djaga, toemĕnggoeng palaboewan, geus kapeupeuh koe ki patih, taja dajana, sarĕng ladjĕng ki patih.
  9. Geus ngalandi ngangkat salira andjeuña, sang praboe Dewasakti, ari ki Andaka, djadi kapala pĕrang, ari noe diangkat patih, hidji ponggawa, ngaran Soedirapati.
  10. Ki toemĕnggoeng plaboewan njĕmbah hatoeran, ka radja
[ 107 ]

    Dewasakti, koering tampi sĕrat, powe ijeu soempingna, soeka boengah Dewasakti, nja kabĕnĕran, teu kĕsĕl toenggoe deui.

  1. Marjĕm kabeh eusijan oelah kaliwat, baris masing tarapti, mangke ana datang, kapal geus laboeh djangkar, meureun njeungeut marjĕm deui, tjara loewangna, ti oerang balĕs deui.
  2. Make pelor bĕnĕrkeun kana kapalna, oelah rek inggis-inggis, ki Soera Andaka, kapala hoeloe balang, njoemoehoenkeun sapilahir, sĕmoe tangginas, peuteukeuh tjakah-tjikih.
  3. Ngoesap koemis tanggah barina soesoembar, tjoba lijat lah nanti, di dalĕm pĕprangan, goewa poenja bijasa, dan goewa poenja barani, mĕnangkĕn radja, tijada takoet mati.
  4. Katjarita sang praboe Dewakoesoemah, ka palaboewan soemping, geus laboeh djangkarna, sarta goeloeng lajarna, koemaha tali paranti, djĕdoer marjĕmna, tata adat sasari.
  5. Ti daratan malĕs marjĕm dieusijan, soerak kawas kaindit, mimis kawas hoedjan, pelor keuna ka kapal, aja kapal ngadjoempalik, kalĕboeh pisan, sabab teu taki-taki.
  6. Praboe Dewakoesoemah heran manahna, naha teu njana teuing, tina taja tĕrka, ijeu saha noe boga, atoeran mapag koe mimis, ladjĕng sang radja, lajar ka tĕngah deui.
  7. Mantri-mantri ponggawa ti sedjen kapal, ngadareuheus ka goesti, sadajana heran, tatjan pisan kamanah, toeloej aja hidji mantri, noempakan sampan, sĕdja ngoengsi ka goesti.
  8. Ngaran mantri ngabeui Djajapĕrbangsa, datang barina tjeurik, sang praboe mariksa, paman geura bebedja, koela bingoeng tatjan ngarti, Djajapĕrbangsa, njĕmbah barina tjeurik.
  9. Abdi dalĕm soemĕdja hatoer oeninga, lampah satilar goesti, poen Andakasoera, dongkap ka dajeuh Tjĕmpa, ngagoda rahaden palih, ngadjak ngalawan, nanging rahaden patih.
  10. Pageuh hanteu obah boeloena salambar, malah diwangsoel bĕngis, ladjĕng ki Andaka, ngagĕndam geureuhana, wantoe-wantoe watĕk istri, babari beunang, diwoedjoek omong manis.
[ 108 ]
  1. Di wawaäs djadi prameswari radja, diiring para abdi, nganggo oepatjara, angkat dipadjĕng gilap, gantjang kagoda nji patih, ladjĕng ngagoda, ngagĕndam raden patih.
  2. Raden patih sabab abot ka geureuha, tĕmah lali ka goesti, gantjangna ngamanah, sapihatoer Andaka, ngoempoelkeun ponggawa mantri, ngadjak ngalawan, mapag рĕгаng ka goesti.
  3. Аbdi dalĕm ngabeui Martadigoena, ngatoerkeun tĕmah wadi, jen oelah ngalawan, pirang-pirang tĕmahna, pamali pitoetoer aki, ngamoesoeh menak, matak tjilaka diri.
  4. Раribasa patjikrak ngalawan mĕrak, nadjan gĕde kawani, mowal ĕnja tahan, eta kitoe tĕmahna, koe ki patih teu ditampi, anggoer katjida, bĕndoena raden patih.
  5. Ladjĕng bae ki ngabeui dipandjara, djeung anakna lalaki, ngaran Кĕrtibaja, tina geus kaangsonan, koe poen Аndaka noe djoelig, mesĕm sang radja, ngadangoe hatoer mantri.
  6. Маtoer deui ngabeui Djajapĕrbangsa, malah ajeuna patih, geus di palaboewan, sarta salin djĕnĕngan, maha radja Dewasakti, Andakasoera, didamĕl Senapati.
  7. Аri anoe didjĕnĕngkeun papatihna, rangga Soedirapati, sri Dewakoesoemah, mesĕm ladjĕng ngandika, ajeuna mah geus kaharti, hajoe taradjang, djamak anak lalaki.
  8. Kаtjarita aja kapal katingalan, kadalapan saketji, kapal ngadeukeutan, pada geus sili tanja, telela ti Gilingwĕsi, ladjĕng radjana, loengsoer marĕk ka goesti.
  9. Geus patĕpang djeung praboe Dewakoesoemah, doewanana narangis, ĕnggeus diwartosan, salampahna sadaja, ti awal nĕрi ka ahir, sarĕng ajeuna, ki patih geus ngalindih.
  10. Radja Gilingwĕsi koemĕгot waosna, bari matoer ka goesti, noen moegi gamparan, montong rek geder manah, sim koering bae pribadi, noe ngamoek inja, djeung abdi Gilingwĕsi.
  11. Kоеring poerwa enggal ngaboedjĕng gamparan, asalna koering ngoeping, ti nangkoda kapal, poelang dagang ti Тjĕmра,
[ 109 ]

    jen poen patih gindi pikir, rek mapag pĕrang, sim koering geuwat indit.

  1. Diwalonan koe radja Dewakoesoemah, kakang soekoer teh teuing, aja pitoeloeng mah, ka awak djasad koela, sanadjan koela pribadi, sĕdja njarĕngan, ngadoekeun poetjoek kĕris.
  2. Ladjĕng radja Gilingwĕsi amit njĕmbah, moendoer rek tata baris, ngeusijan marjĕmna, dibĕnĕrkeun ka darat, djangkarna ĕnggeus didjait, ngangsĕg ka darat, ditoeroegtoeg koe bĕdil.
  3. Taja tempo mimis kawas hoedjan boewah, oerang Tjĕmpa geus miris, rada oendoer toekang, baris mawa ka tĕngah, pradjoerit ti Gilingwĕsi, ĕnggeus harandjat, ngamoekna ngoewak-ngawik.
  4. Radja Gilingwĕsi sabanteng bajangan, salira mandi gĕtih, sang Dewakoesoema, sabaladna geus handjat, ki dĕmang Oerawan singkil, matĕk badina, djeung sakabeh pradjoerit.
  5. Rame tjampoeh sili tĕwĕk sili toembak, sili tjabok tampiling, aja noe sili doepak, sili pinggĕskeun iga, aja anoe sili bĕdil, powek haseupna, taja noe njĕboet adjrih.
  6. Rame sora pakarang pating karĕplak, djeung sora anoe tjeurik, bangke pagoletak, soesoen patoempang-toempang, geus kawas babadan patjing, pating soelajah, Dewasakti ngabĕtjir.
  7. Ki Andaka loempat ninggalkeun gagaman, mitjeun parabot djoerit, njalin papakejan, make parabot goendal, sĕrwal pokek badjoe rĕbig, moeboes ka hoema, manggih ĕnggon noe boeni.
  8. Balad Tjĕmpa sanggeus maboer ki Andaka, tobat njanggakeun diri, ngahoeroen pakarang, praboe Dewakoesoemah, manahna ngĕnĕs ningali, toeloej nimbalan, ka radja Gilingwĕsi.
  9. Kakang praboe itoe kabeh balad Tjĕmpa, ponggawa para mantri, geura bere pĕrnah, oelah dikanijaja, maha radja Gilingwĕsi, hatoer soemangga, noehoen sadawoeh goesti.
[ 110 ]
  1. Doewa radja ĕnggeus pada masangrahan, kabeh ponggawa mantri, pada ĕnggeus mĕrnah, tjarape mĕntas pĕrang, sawareh aja noe tjeurik, njĕri raheutna, raheut awak djeung ati.
  2. D A N G D A N G G O E L A.

  3. Praboe Dewakoesoemah geus tjalik, radja Gilingwĕsi ngadeuheusan, para mantri koempoel kabeh, dĕmang arja toemĕnggoeng, kandoeroewan rangga ngabeui, para ponggawa Tjĕmpa, bojongan karoempoel, ngandika Dewakoesoemah, hanteu njana bapa patih gindi pikir, boro koela pĕrtjaja.
  4. He pra mantri ajeuna arindit, mawa djalma, ngoeboeran babatang, reudjeung oenggal-oenggal bangke, tĕgĕskeun masing poegoeh, bisi bangke kijai patih, djeung bangke si Andaka, oelah waka koeboer, bawa ka dijeu heulaän, koela sono geus lawas hajang papanggih, mantri hatoer soemangga.
  5. Kangdjĕng radja toeloej djĕngkar deui, mapag garwa, ki dĕmang Oerawan, dipiwarang dago bae, sarĕng para toemĕnggoeng, para mantri ti Gilingwĕsi, sang radja nitih sampan, gantjangna geus tĕpoeng, sarĕng kangraji di kapal, prameswari ngarontok barina nangis, dipondah dioepahan.
  6. Poma njai repeh oelah nangis, oerang Tjĕmpa geus eleh pĕrangna, ponggawa geus taloek kabeh, ngan bapa patih kaboer, si Andaka tatjan kapanggih, ajeuna keur disĕbar, ka leuweung ka goenoeng, pawarang lĕdjar nangisna, si Andaka naha mana goreng teuing, toekang goda rantjana.
  7. Bapa patih salawasna bĕrsih, tatjan aja pisan lampah tjidra, kakara ajeuna bae, sri maha radja njaoer, kakang oge njaăh teh teuing, nadjan ajeuna kakang, taja pikir poendoeng, gorengna aja lantaran, dirantjana koe si Andaka noe dĕngki, mawa tiwas sadjagat.
  8. Hajoe njai masing gasik-gasik, oerang handjat, oelah sok
[ 111 ]

    disĕlang, prameswari ladjĕng nganggo, ti dinja ladjĕng loengsoer, nitih sampan radja djeung poetri, garwa para ponggawa, geus toenggang parahoe, diboseh tjara madoera, dikawihan matak waäs matak kĕtir, ĕnggeus dongkap ka darat.

  1. Ladjĕng handjat angkat di basisir, pada njatjat angkat lalaoenan, teu lila soemping ka pondok, toeloej sang poetri njaoer, ngawĕwĕleh ka para mantri, para ponggawa Tjĕmpa, noe geus pada taloek, he kabeh para ponggawa, hanteu njana naha mana gindi pikir, hanteu ingĕt ka ama.
  2. Para mantri njĕmbah bari tjeurik, kabeh-kabeh njanggakeun pĕrtobat, ngan watĕs ajeuna bae, koering kitoe nja lakoe, lampah tjidra bengkok ka goesti, lamoen mangke kasorang, moegi koering toempoer, loedĕs toedjoeh patoeroenan, prameswari ngawangsoel koela nja saksi, sarta saksi jang Soekma.
  3. Radja Gilingwĕsi njaoer bĕngis, lamoen aja widi gamparan mah, djalma sakijeu ngaderes, koering sorangan sanggoep, neukteuk beuheung djeung ngeureut tjeuli, raden dĕmang Oerawan, ngeser bari noendjoek, ka sakabeh mantri Tjĕmpa, lamoen kami meunang paidin ti goesti, maneh kabeh ditilas.
  4. Para mantri toengkoel sĕmoe adjrih, ningal oelat, ki dĕmang Oerawan, kĕsit palatat-polotot, sĕmoe hajang pek noemboek, kangdjĕng radja alon ngalahir, adi dĕmang Oerawan, poma oelah kitoe, meureun bae ambĕkna mah, tapi koedoe gĕde timbangan djeung adil, loembrah kaloeloepoetan.
  5. Nadjan moesoeh moen geus sĕrah diri, moenggoeh ratoe, wadjib ngahampoera, ngeunakeun bobot pangajon, lamoen ngaladjoer napsoe, ĕnja bae hajang nampiling, raden dĕmang Oerawan, njĕmbah sarta matoer, agoeng bĕbĕndoe gamparan, djisim abdi tina koe baning idjid, roemaos kalĕpalan.
  6. Di plaboewan ngan meunang sawĕngi, isoek-isoek radja toeloej djĕngkar, aleutan tjara bareto, oemboel-oemboel mĕlĕngkoeng, lawerontek djadjar ngabaris, radja nitihan koeda, tjongklang manggoet-manggoet, diaping koe kadjinĕman, di
[ 112 ]

    poengkoereun kangdjĕng radja Gilingwĕsi, sĕgoet noenggangan gadjah.

  1. Mantri Tjĕmpa bojongan diaping, di djadjaran bĕdil toembak tjagak, pakarang dihoeroen kabeh, oelatna pijas mĕsoem, kadoehoengna datang pandeuri, gantjang noe mangoen tjrita, ka nagara tjoendoek, di dajeuh tiïseun pisan, rame tjeurik pamadjikan para mantri, anoe ngaraman teja.
  2. Sasoempingna radja ka djro poeri, ejar tjeurik oerang padalĕman, kabeh ngatoerkeun tjarijos, tina kalangkoeng roesoeh, radja brana sadjroning poeri, dirajah koe Andaka, meh taja noe kantoen, ngan sipat intĕn mas perak, disoempoetkeun ka ĕnggon-ĕnggon noe boeni, poerwa hanteu kadjarah.
  3. Katjatoerkeun radja Gilingwĕsi, geus mĕrĕnah di karang kapoetran, sarta sabaladna kabeh, teu atjan widi moendoer, ari kabeh ponggawa mantri, anoe pada ngaraman, sanggeusna dimaloem, tĕtĕp sagawe-gawena, hanteu obah koemaha lampahna tadi, woewoeh sijeun srĕgĕpna.
  4. Geus darongkap hoeloe-balang goesti, noe nejangan raden patih teja, ka goenoeng ka leuweung langgong, wĕleh tatjan katimoe, ki Andaka nja kitoe deui, kangdjĕng radja ngandika, ari teu katimoe, kadjeun mowal dikoemaha, ki Oerawan oerang djĕnĕngkeun papatih, ngareh nagara Tjĕmpa.
  5. Kangdjĕng radja geus miwarang mantri, oeroes-oeroes ngoempoelkeun ponggawa, tjarita gantjangkeun bae, kabeh para toemĕnggoeng, kandoeroewan rangga ngabeui, geus koempoel di paseban, taja anoe kantoen, parĕntoel pajoeng agoengna, para mantri kopjah siga bondol meuting, paseban pinoeh pisan.
  6. Kangdjĕng radja miwarangan abdi, njaoer ratoe Gilingwĕsi teja, teu lila soemping ka djĕro, linggih papajoen-pajoen, kangdjĕng radja Tjĕmpa ngalahir, kakang praboe ajeuna, sad koela ngadjoeroeng, kakang linggih ka paseban, ngadjĕnĕngkeun dĕmang Oerawan papatih, sarĕng gĕntos ngaraña.
  7. Raden arja patih soerĕng djoerit, ladjeng radja Gilingwĕsi
[ 113 ]
пjĕmbah, soemoehoen timbalan bae, abdi sĕdja ngadjoengdjoeng, sadajana kĕrsaning Goesti, madak toetas dawoehan, djisim abdi moendoer, ngalampahkeun satimbalan, ka paseban sang Praboe Тjĕmра ngalahir, kakang hatoer soemangga.
  1. a. Radja Gilingwĕsi ĕnggeus tjalik, di paseban sadaja ponggawa, ngadeuheusan toengkoel mando, dĕmang Oerawan tjoendoek, diiringkeun koe epok lampit, di pajoen oepatjara, dipajoengan agoeng, pajoeng gĕde kapatihan, koeda kosong di pajoen leumpangna njirig, diiring koe bandrangan.
  2. b. Radja Gilingwĕsi geus ngalahir, he sadaja pra mantri ponggawa, anoe sĕроеh anoe anom, koela darma pioetoes, пgadawoehkeun timbalan Goesti, ajeuna ki Oerawan, didjoengdjoengkeun loenggoeh, Patih di nagara Тjĕmpa, dingaranan Агja Patih Soereng djoerit, wakil pamangkoe pradja.
  1. Раra mantri ear saoer — paksi, njoemoehoenkeun kana satimbalan, toeloej maroendjoengan bae, sanggeus sami maroendjoeng, ladjĕng marek sri Gilingwĕsi, raden Patih ditjandak, moendjoeng ka sang Ratoe, para ponggawa noe rea, tjalik mando ngadjadjar pajoeneun Goesti, kangdjĕng Radja ngandika.
  2. Adi Patih poma oelah lali, masing eling geus rea toeladan, lampah noe hade noe goreng, soesah pandjang ditjatoer, hade goreng ĕnggeus kaharti, tĕmahna anoe salah, djeung tĕmah noe loeloes, bapa Patih Sokadana, djadi bagdja laksana noe bĕrsih pikir, moekti mapakan radja.
  3. Еta koedoe pisan djadi eling, kitoe deui bapa Patih Тjĕmpa, eta beunang dipitjonto, balangsak soesah hiroep, leuleuweungan sieun kapanggih, pisah djeung pamadjikan, salampat-saloempoet, ninggalkeun imah-tanggana, asal tina goegoean koerang pamikir, babari karantjana.
  4. Raden Patih ngawalon ka Goesti, noen soemoehoen dawoehan gamparan, sadaja ĕnggeus kahartos, sarĕng taja noe loepoet, awon sae ĕnggeus kaboekti, kenging didamĕl
[ 114 ]

    katja, tapi langkoeng-langkoeng, sim abdi njoehoenkeun djiad, moegi-moegi oelah ditjondongkeun pikir, kana lampah noe salah.

  1. Moegi-moegi tĕtĕp djisim abdi, koemawoela ka linggih gamparan, oelah gadoeh ati serong, salamina rahajoe, paniatan diri sim abdi sĕdja ngalĕboer tapak, soemoengkĕm soemoedjoed, taja pigeusaneun poelang, sĕdja bela lali pati tega rabi, saksi anoe wisesa,
  2. Noe ngadangoe walon raden Patih, tjoemalimba tina matak wĕlas, Radja bidjil tjikaseër, kagagas manah Praboe eling eukeur djamaña tadi, waktoe pada masakal, tĕpoeng di parahoe, Radja njaoer doemareuda, ĕnggeus adi kakang kahoedang nja pikir, rea noe kaingĕtan.
  3. Moega-moega oerang tĕtĕp moekti, masakatna da ĕnggeus kasorang, ti bareto hese tjape, tina asih noe Agoeng, kakang djadi pamĕngkoe boemi, adi djadi wakilna, moega masing loeloes, kakang oepama djĕrona, adi loewar sapapait samamanis, sabagdja satjilaka.
  4. Soesoegoehna ti djĕro geus bidjil, ladjĕng bae Radja pada toeang, katoeangan noe araheng, sanggeus toewang diloengsoer, geus dirorod ka raden Patih, sarta para ponggawa, dalahar ngarioeng, langkoeng pada soeka-manah, sanggeus kitoe sang radja moelih ka boemi, noe ngadeuheus boebaran.
  5. Radja Gilingwĕsi ĕnggeus moelih, masanggrahan di karang kapoetran, oenggal isoek oenggal sore, menak-menak karoempoel, sarta ladjĕng sang Praboe linggih, ka pakoewon kapoetran, raden Patih toemoet, noe ditjatoer salamina, taja deui ngan elmoe pamĕngkoe boemi, tata ngoeroes nagara.
  6. Noe ditjatoer kamoekten noe leutik, kasoekana sarta kasoesahna, reudjeung pakajana kabeh, soepajana rahajoe, tambah-tambah asihing boemi, woewoeh kasantosaän, keur ngadjaga moesoeh, koering moekti menak beunghar, kitoe bae noe ditjatoer beurang peuting, djalan kasalamĕtan.
  7. Radja Gilingwĕsi tatjan moelih, ĕnggeus meunang
[ 115 ]

    saboelan lilana, masih kangĕn keneh bae, djeung deui toenggoe-toenggoe, raden Patih soegan kapanggih, sarĕng Andakasoera, tapi tatjan timoe, masih keneh diteangan, Radja Gilingwĕsi raos lawas teuing, ladjeng marĕk pamitan.

  1. Doemeuheusna sarĕng raden Patih, di mandapa linggihna ngadjadjar, ki Patih di handap mando, Radja Giling hoematoer, djisim koering manawi widi, soemĕdja pamit moelang, ras ka noe di poengkoer, Radja Тjĕmра ngawalonan, lĕrĕs kakang geus lila meudjeuhna moelih, kangĕn taja toengtoengna.
  2. Ladjĕng Radja njaoer prameswari, sanggeus soemping ladjĕng diwartosan, kijeu njai diala teh, reh ijeu kakang Praboe, kĕгsana teh isoekan moelih, tina geus kalawasan, ras ka noe di poengkoer, peuting ieu sosonoan, meungpeung deukeut geus tangtoe arang papanggih, tina koe kadjaoehan.
  3. Рrameswari ngawalonan manis, gĕntra sae sarta sae pokna, tjapetang bentes pĕrlente, koetan rek moelih isoek, kakang Praboe ka Gilingwĕsi, kangĕn keneh nja manah, tatjan bosĕn tĕроеng, atoeh kakang pileuleujan, moegi-moegi manah kakang oelah lali, sing eling salamina.
  4. Sarĕng ijeu kagĕgĕlan koering, hanteu sae tilam sono manah, loemajan keur ngintoen ĕmbok, golek kantjana moeгoeb, sarĕng wadah Iĕmareun istri, ditaretes sosotja, tanda ngakoe doeloer, Radja Gilingwĕsi njĕmbah, top ditjandak ngawalon ka prameswari, pasihan langkoeng nĕda.
  5. Kаngdjĕng Radja heg maparin deui, hidji doehoeng sasapoetan ĕmas ijeu kakang hanteu sae, keur tanda ngakoe doeloer, tilam sono djadi pepeling, doehoeng geus ditampanan, njĕmbah hatoer noehoen, pasihan langkoeng katĕda, salamina ngan hibar gamparan goesti, noe karaos koe awak.
  6. Kоеring trima kahoetangan pati, mowal pisan lali salamina, sanadjan dongkap ka maot, moal geseh saramboet, sinaksenan jang soekma djati, ngawalon Radja Тjĕmpa, koela hatoer noehoen, kitoe tekad manah kakang, koe koela ge mapan boekti geus katampi, pamales linggih kakang.
[ 116 ]
  1. Ladjĕng Radja nimbalan ka Patih, adi Patih geura paparentah, pra ponggawa mantri anom, dĕmang rangga toemĕnggoeng, isoek ijeu kakang rek moelih. adi koe maneh pisan, djeung para toemĕnggoeng, ngadjadjapkeun soeloer kakang, raden Рatih ngawalon ka kangdjĕng Goesti, abdi hatoer soemangga.
  2. Radja Gilingwĕsi matoer deui, madak aja paidin gamparan, moendjoengan ajeuna bae, koering rek isoek-isoek, kangdjĕng Radja Тjĕmра ngalahir, kakang hatoer soemangga, ladjĕng sami moendjoeng, pada koemĕmbĕng tjisotja, doemareuda noe tinggal djeung noe rek moelih, manahna maskoemambang.
  3. M A S K O E M A M B A N G.

  4. Radja Gilingwĕsi geus pamitan moelih, karsa dangdan-dangdan, hanteu katjatoer ti peuting, isoekna geus ladjĕng, djĕngkar.
  5. Didjadjapkeun koe raden Patih pribadi, djeung para ponggawa, sigĕgkeun anoe geus moelih, malikan deui tjarita.
  6. Kі Аndakasoera reudjeung raden Patih, noe keur leuleuweungan, hanteu pisah bĕrang peuting, noe didahar bongborosan.
  7. Papakeannana ĕnggeus roentang-ranting, leungit oelat menak, goreng pake koeroe aking, hideung balas papanasan.
  8. Raden Patih ngarasoela djroning pikir, ki Andakasoera, noe mawa tjilaka diri, teungteuingeun ngadjak papa.
  9. Тjoba lamoen hanteu ngamoesoeh ka Goesti, tĕtĕр djadi menak, moekti djoemĕnĕng papatih, ĕh Goesti kijeu rasana.
  10. Gеus tetela anoe nganiaja diri, ki Andakasoera, djeung pamadjikan pribadi, ajeuna ĕnggeus karasa.
  11. Теu kaloewar ngan ngomong sadjroning pikir, mandĕg majong manah, aja rek tobat ka Goestj, aja rek kaloenta-loenta.
[ 117 ]
  1. Аja djalma ka leuweung rek ngala kai, oerang pilĕmboeran, papanggih djeung raden Patih, djalma moelang gagantjangan.
  2. Kа koewoena bebedja jen manggih Patih, djeung Andakasoera, ki koewoe marentah titir, ngoempoelkeun sagala djalma.
  3. Ĕnggeus koemроеl kolot boedak gĕde leutik, marawa pakarang, toembak tjagak djeung gĕgĕndir, tjara noe rek ngĕроеng badak.
  4. Ĕnggeus boedal ka leuweung ngaloeroeg Patih, pada manggoel toembak, ki Patih ĕnggeus kapanggih, reudjeung ki Andakasoera.
  5. Тingdjaloprak ngaloengsar handapeun kai, kaget aja djalma, pada ngadjingdjing gĕgĕndir, ki Patih ngoredjat goegah.
  6. Kі Аndaka rek loempat moro noe boeni, tapi rea djalma, пgadjadjar mawa gĕgĕndir, hanteu aja geusan loempat.
  7. Dioek deui ngadjogo handapeun kai, koewoe ngadeukeutan, djalma rea geus tjaringtjing, tangginas ngoedarkeun tambang.
  8. Raden Patih dongkol njaoer bari nangis, paman oelah taha, kaoela njĕrahkeun diri, roemasa kaoela dosa.
  9. Aki koewoe hatoeran ka raden Рatih, nĕda pangampoега, koering rek njangsangkeun tali, raden Patih hanteu baha.
  10. Raden Patih salira njandang tatali, ki Andakasoera, rek ngalawan hanteu wani, geus ditjangkalak leungeuña.
  11. Kі Аndakasoera reudjeung raden Patih, geus dibawa moelang, ka lĕmboer diiring-iring, ditoengtoen tjara babandan.
  12. Kі Andaka reudjeung ki Patih tjareurik, di lĕmboer teu lila, toeloej diiangkeun deui, dipĕtakeun kasinoman.
[ 118 ]

S I N O M.

  1. Ditoeloejkeun ka nagara, diaping diiring-iring, opat lima poeloeh djalma, noe ngiring mawa gĕgĕndir, toembak tjagak djeung bandring, sadjalan-djalan ngagoeroeh, soerak agĕr-agĕran, noe nongton saroeka ati, katjatoerkeun ĕnggeus nĕpi ka paseban.
  2. Dialeut-aleut koe djalma, djalan gĕde heurin oesik, raden Patih kaget manah, toeloej ngadĕg bari singkil, djeung ngagilirkeun kĕris, ijeu aja naon roesoeh, ki koewoe tjedok njĕmbah, soemoehoen babandan Patih, djeung Andaka noe pada tjidra ka radja.
  3. Raden Patih miwarangan, ngoempoelkeun ponggawa mantri, sarta toeloej ngadeuheusan, oendjoekan ka kangdjĕng Goesti, noen Goesti djisim koering, sĕdja njanggakeun pioendjoek, sareh aja babandan, poen Andaka djeung poen Patih, ditalijan noe ngiringkeun koewoe desa.
  4. Radja kalangkoeng kagetna, ngandika ka raden Patih, geuwat adi geura bawa, kakang geus hajang papanggih, moendoer rahaden Patih, ka paseban goera-giroe, miwarang kapĕtĕngan, noengtoen Andaka djeung Patih, diiringkeun koe noe mawa toembak-tjagak.
  5. Kangdjĕng Radja eukeur lĕnggah, ngagedengkeun Prameswari, kalangkoeng ngĕnĕs manahna, ningalikeun raden Patih, salira njandang tali, angkatna ditoengtoen-toengtoen, Radja bĕndoena moesna, ngan woengkoel kĕtir hawatir, dosa leungit katingal lampah baheula.
  6. Njaoer bari doemareuda, he ki Patih Soereng djoerit, bapa Patih geuwat laän, montong disangsangan tali, kakang panteg nja watir, ingĕt djamaña kapoengkoer, toeloej tali dilaän, Patih dongkol toengkoel tjeurik, ki Andaka masih keneh ditalian.
[ 119 ]
  1. Pra ponggawa anoe rea, ngadjadjar pajoeneun Goesti, toengkoelna antĕl ka lĕmah, sadaja roemaos isin, ladjĕng Radja ngalahir, bapa Patih naha kitoe, kaoela hanteu njana, lamoen bapa gindi pikir, Patih dongkol njĕmbahna atjong-atjongan.
  2. Sakabeh-kabeh poen bapa, njanggakeun bĕbĕndoe Goesti, koemambang kĕrsa gamparan, njanggakeun njawa djeung diri, hanteu gadoeh pamilih, malah teu soemĕdja hiroep, ĕnggeus oetama pisan, poen bapa dihoekoem pati, asrah pisan digantoeng roemaos dosa.
  3. Nanging panoehoen poen bapa, sanadjan dihoekoem pati, moegi aja pangampoera, salamĕt moenggoeh di batin, poen bapa hanteu pambrih, kana diparinan hiroep, tina roemaos dosa, geus mandjing dihoekoem pati, nadjan paeh nampi heula pangampoera.
  4. Radja ragragan tjisotja, ngadangoe pioendjoek Patih, toengtoengna Radja ngandika, bapa hampoera teh teuing, moal dihoekoem pati, sanadjan hoekoemna gantoeng, tapi koedoe popojan, sadajana anoe djadi, poerwa bapa gindi pikir owah niat.
  5. Raden Patih ngawalonan, soemoehoen bĕbĕndoe Goesti, sanadjan sim koering tĕrang, asa-asa hanteu hasil, tina diri simkoering, teu patoet beunang diwoedjoek, tapi da dipariksa, koering ngawaktjakeun diri, sajaktosna kagoda koe poen Andaka.
  6. Sarĕng koe abdi gamparan, poen bodjo noe mawa sisip tapi geus kĕrsaning Soekma, pibajaeun diri koering, ĕnggeus dihin pinasti, lantaran paeh digantoeng, kangdjĕng Radja ngandika, doemareuda bari nangis, bapa Patih ajeuna koela hampoera.
  7. Ladjĕng kangdjĕng Radja njandak, panganggo bade pisalin, Patih sĕpoeh disalinan, djeung kangdjĕng Radja ngalahir, ajeuna bapa Patih, mareman bae geus sĕpoeh, dipaparin panoekang, sarta oenggal boelan doeit, kitoe deui ngabeui Martadigoena.
[ 120 ]
  1. Tambah sawah djeung panoekang, gandjaran bĕrĕsih pikir, nĕmahan ka pikir salah, ĕnggeus ngingĕtan teh teuing, bareto ka ki Patih, sanadjan hanteu digoegoe, datang ka di pandjara, lantaran tina mepeling, sapoeloeh djoeng lĕgana sawah gandjaran.
  2. Ngan eta Andakasoera, noe koedoe dihoekoem pati, ratoe teu wĕnang ngampoera, wadjib ngahoekoemkeun adil, sabab dosana leuwih, mawa tiwas salĕlĕmboer, djalma paeh rewoean, lantaran maneh pribadi, ki Andaka koetjĕm hĕnteu ngawalonan.
  3. Raden Patih dongkol njĕmbah, nganoehoenkeun sihing Goesti, paparin langkoeng katĕda, njanggakeun soempah ka Goesti, lamoen kasorang deui, moegi dipondokeun oemoer, hiroep oelah djamoega, sang Praboe njaoer njakseni, moega-moega ditĕtĕpken kahadean.
  4. Ngabehi Martadigoena, njĕmbah oendjoekan ka Goesti, pasihan langkoeng katĕda, koe simkoering lahir batin, sarĕng moegi simkoering, ngawoela satoetoep oemoer, kitoe deui gamparan, langgĕng moekti njakrawati, ka pajoena oelah mĕndak ewĕd manah.
  5. Ladjĕng ki Andakasoera, dikoedoengan lawon poetih, dibawa ka panggantoengan, dirijoeng koe toembak bĕdil, raden Patih ngalahir, Andaka tampa panaoer, ijeu adiling radja, pamalĕs lampah noe djoelig, pek digantoeng ki Andaka geus paragat.
  6. Toeloej diteukteuk beuheungna. dipandjĕr dina paranti, tĕngah djalan parapatan, adat paranti sasari, soepaja djadi boekti, djalma ngamoesoeh ka ratoe, bedja ĕnggeus goernita, kasohor ka mana mĕndi, jen Andaka ĕnggeus dipandjĕr sirahna.
  7. Ki koewoe ĕnggeus digandjar, roepa panganggo djĕng doeit, reh nimoekeun ki Andaka, sarta nimoekeun ki Patih, tadi geus aja djangdji, salabar gandjaran ratoe, ajeuna
[ 121 ]

    geus laksana, kabeh noe geus djadi djangdji, kamashoerkeun nagara tambah ramena.

  1. Rea boeniaga anjar, noe ngadon dagang djeung tani, tina kartaning nagara, kosong rampog sĕpi paling, tiis pikir noe tani, ewoeh lakoe noe tjalimoet, sĕnĕng lampah noe dagang, tambah laris woewoeh bati, noe moemoelan kapaksa djadi daekan.
  2. Lĕmboer diatoer ditata, teu meunang koesoet djeung roedjit, sisina make baloengbang, pipir imah dikamalir, soepaja hanteu tjeubrik, lisoengna di toengtoeng lĕmboer, imah sĕdĕng tjarangna, teu meunang padeukeut teuing, make koelah oenggal-oenggal pipir imah.
  3. Geus tamat ijeu tjarita, soepaja djadi pepeling, rea keur hade toeladan, pitjontoeun anoe boekti, lampah barang mimiti, katembong bohongna doekoen, doekoen djaman ajeuna, aja anoe kitoe deui, bohong bae tjatoerna kasaroemahan.
  4. Sanadjan djaman ajeuna, rea noe dadakoe sakti, madjar maneh awas tingal, njaho di noe gaib-gaib, koe djalma hanteu mikir, digoegoe tjatoerna lĕpoes, adjar goenawisesa, norahna ka Тоendjoengsari, njĕboet njaho asal tina dibedjaän.
  5. Djeung deui djadi toeladan, menak anoe lantip boedi, noeroet piwoeroek sĕpoehna, satindak polah djeung boedi, toengtoengna manggih moekti, loeloes dioemĕnĕngna ratoe, nja kitoe deui djalma, noe estoe ngabdi ka goesti, bĕrsih pikir tjara Patih Sokadana.
  6. Тоеngtoengna manggih kamoeljan, beurat beunghar soegih moekti, poetrana djoemĕnĕng radja, lain asal tina dĕngki, djeung djadi tjonto deui, djalma babari kawoedjoek, tjara Papatih Tjĕmpa, toengtoengna balangsak diri, hiroep soteh ngan manggih radja darana.
  7. Soemawona eta djalma, noe hiri dĕngki ka goesti, gĕde omong djidjieunan, toengtoengna manggih balai, tina
[ 122 ]

    kagĕdean ati, wani ngamoesoeh ka ratoe, ratoe rea baladna, tjatjandran ti nini aki, paribasa patjikrak ngalawan mĕrak.

  1. Djog-djog neureuj boeah loa, tĕgĕsna lain paranti, ngahoeap lain lajana, nja-eta oepama koering, anoe wani ka goesti, ngahangoe-hangoe ka ratoe, nja tjara ki Andaka, toengtoengna dihoekoem pati, paeh nista hoeloe dipandjĕr di djalan.
  2. Рanĕda koela noe ngarang, ka Goesti Raboel Alamin, moega tĕtĕp koemawoela, ka noe agoeng njakrawati, noe estoe djadi goesti, Djĕng Goesti Toewan Goepernoer, noe ngareh poelo Djawa, sarta saliana deui, wawakilna sri Maha Praboe Nederland.
  3. Noe estoe ngĕrtakeun djaman, ngangeunahkeun abdi-abdi, noe djadi panjalindoengan, noe kagoengan hoekoem adil, eta sadaja poedji, sarta ati noe sa-estoe, moegi tĕtĕр hardjana, Goepĕrnĕmen mangkoeboemi, njakrawati di boemi Indi Nederland.
  4. Таmatna kaoela ngarang, poekoel toedjoeh malĕm kĕmis, di tanggal toedjoeh wĕlasna, kalĕrĕsan boelan April, tahoen kangdjĕng Masihi, sarewoe dalapan ratoes, djeung gĕnĕp poeloeh doea, marĕngan hidjrahna Nabi, srewoe doea ratoes toedjoeh poeloeh dlapan.
[ iii ]

INILAH BOEKOE-BOEKOE JANG BOLEH DAPAT
DI KANTOR TJITAK GOEPERNEMEN:

Тembang Djawa nganggo moesiek, kanggo ing pamoelangan Djawa kaänggit dening toewan F. W. Winter (Javaansche gedichten op zang) Еerste deel. (Jav. kar.) ƒ 0.45
Idem, Тweede deel ƒ 0.60
Тjarita Erman (Неndrik van Eichenfels) door Raden Аjoe Lasminingrat (Soendaasch kar.) ƒ 0.40
Нikajat Robinson Сrusоё, door A. F. von de Wall (Lat. kar.) ƒ 0.35
Serat Poerwotjarito Bali, door Raden Soerowidjojo (Jav.kar.) ƒ 0.40
Еlmoe oekoer Воеmi (Landmeetkunde) door Dr. W. Palmer van den

Вroek (Jav. kar.) || ƒ 0.45

Doewa belas Tjeritera dan Peroepamaän, terkarang pada bahasa melajoe, dengan mengikoet karangan bahasa wolanda, door A. F. von de Wall (Lat. kar.) ƒ 0.15
Kitab Peladjaran Ilmoе Hitoengan, door L. K. Нагmsen, (Lat. kar.) ƒ 0.08
Kitab Рengadjaran jang bergoena kapada anak-anak jang soeka adjar membatja, door L. K. Нarmsen (Lat. kar.) ƒ 0.12
Тjarijos saé sawelas hidji (Elf verhalen) door Mas beij Marto Admodjо

(Jav. kar.) || ƒ 0.20

Lajang kawroeh hetoeng sapisan, bab pangetoengnge tjatjah, woetoeh lan petjahan (Javaansch Rekenboek) (Jav. kar.) ƒ 0.26
Roepa-Roepa Peladjaran pada memboekakan anak-anak poenja akal. (Lat. kar.). ƒ 0.10
Darmawasito (Zedeleer, door K. F. Winter, Tweede deel (Jav. kar.) ƒ 0.20
Lajang dongengnging sato hewan (57 Fabelen) door К. F. Иinter,

Тweede deel (Jav. kar.) || ƒ 0.25

Тsahiboel Hikajat (Lat. kar.) ƒ 0.20
Тjakap-tjakap rampai-rampai, (Arab. kar.) ƒ 0.42
Воеgineesch-Hollandsch Woordenboek met Ethnographische Аtlas, door Dr. B. F. Matthes (Lat. en Boeg kar.) ƒ 20.–
Bоеginesche spraakkunst, door Dr. B. F. мане (Lat. en Boeg. Kar.) ƒ 4.–
[ iv ]
300 Rekenkundige voorstellen voor eerstbeginnenden, door Raden Kartawinata (Soend, kar.) ƒ0.21
Menjatakan hal menanamkan padi dan lain-lain tanam-tanaman, door D. Gerth van Wijk (Lat. kar.) ƒ0.15
Kitab Tjatjarakan Soenda (Soendaasch Spel- en Leesboekje) door K. F. Holle (Lat. kar.) ƒ0.12½
Reis naar Nederland van Raden Abdoellah Ibnoe Sabar bin Arkebah (Jav. kar.) ƒ0.95
Warnasari atawa roepa-roepa dongeng, door Raden Ajoe Lasminingrat (Soend. kar.) ƒ0.35
Hamong tani (de vriend van den Javaanschen Landman), door F. L. Winter, Tweede deel (Jav. kar.) ƒ 0.26
Hamong tani (de vriend van den Javaanschen Landman) door H. K. H. Witkens, Tweede druk (Jav. kar) ƒ 0.22


—————