Dongéng-dongéng Pieunteungeun (1888)

Ti Wikipabukon
[ i ]

DONGENG-DONGGEN

PIEUNTEUNGEUN,


DIKARANG KOE


RADEN HADJI MOEHAMAD MOESA,


HOOFD-PANGHOELOE KABOPATEN

LIMBANGAN.


DITJITAKNA DI KANTOR TJITAK

KANGDJĚNG GOEPĚRNĚMEN

DINA TAHON

1888.

[ 1 ]

DONGENG-DONGENG

PIEUNTEUNGEUN.


1.


POEPOEH SINOM.


Ijeu teh anoe dikarang, dongeng-dongeng baris misil, tjrita baris ibarat, beunang leukeun koela noekil, asalna noe disalin, basa Djawa beunang ngatoer, ari asalna pisan, dongeng beunang noekil deui, tina boekoe Walanda disalin Djawa.

Toewan Winter djoeroe-basa, djĕnĕngannana noe nganggit, mindahkeun ka basa Djawa, ajeuna disalin deui, disoendakeun sakali, koe kawoela oerang Garut, ari anoe dipalar, oerang Soenda tambah radjin, reja tjrita baris eunteung kalakoean.

Dina jĕro ieu kitab, reja tjonto nu geus boekti, boekti kajadiannana, noe hade goreng kapanggih, jeung reja baris misil, dongeng sato beunang ngatoer, oelah rek salah paham, koedoe misilkeun ka diri, oelah pisan salah tampa sahinasna.

Lamoen dipikir salantjar, meureun disĕboet moestahil, sato bisa tjara djalma, nja eta lain teh teuing, ngan njijeun baris misil, keur njoeroepkeun kana lakoe, ngoepamakeun ka awak, nanding-nanding kana diri, gagal pisan lamoen disalahkeun larap. [ 2 ]Ngan djadi pĕta oepama, sato-sato noe digoerit, bisa ngomong tjara djalma, geus tangtoe kitoe teh teuing, djeung tjara eta deui, dongeng-dongeng noe disĕboet, keur pieunteungeun teja, nilik dirina pribadi, naon-naon lampah salah kanjahoan.

Lamoen ĕnggeus kanjahoan, leungitkeun atawa salin, djeung deui leuwih ngeunahna, njaho salahna pribadi, tina ĕnggeus kaboekti, kasorang koe lampah batoer, nja eta dina tjrita, ingĕtkeun diri pribadi, tangtoe ngeunah batan kapanggih koe kantja.

Lamoen kasalahan oerang, hanteu kapikir pribadi, kanjahoan koe noe lijan, diseboetkeun djeung digeuing, tangtoe ngarasa isin, koe sabab eta sakitoe, sĕdja djasad-kawoela, ijeu dongeng misil-misil, djadi eunteung keur ngeunteungan lakoelampah.

Aja tjatoer pari-basa, leuwih kaoentoengan diri, meunang tjonto ti noe lijan, lain ti diri pribadi, oepama djalan roegi, noe geus kasorang koe batoer, eta leuwih hadena, batan kasorang pribadi, bisa jatna noelak karoegijan eta.

Sangĕt panĕda kawoela, ka Goesti raboel alamin, ijeu teh djadi manpaät, keur watjaeun moerangkalih, soepaja djadi lantip, ahirna manggih rahajoe, anoe kagoengan poetra, oelah rek koerang pamĕrdih, ka poetrana sing matja ijeu tjarita.

Malaoer djeung matja tjrita, anoe bohong taja hasil, matak bae kasamaran, manahna maroerangkalih, maroekan ĕnja boekti, noe disĕboet sakti-wĕdoek, boga pikir noeroetan, hajang wĕdoek reudjeung sakti, anoe kitoe eta kasasar pikirna.

Nja eta lantarannana, tina asal moerangkalih, rĕsĕp matja reudjeung nanggap, tjarita anoe soemakti, hanteu dipikir deui, diandĕl sapokna kitoe, kawoela lain njawad, ka djalma noe rĕsĕp ngadji, tjrita Rama djeung lalakon Angling-darma.

Eta hade pisan watja, baris ngaboeboengah ati, dina waktoe raramean, djeung deui keur moerangkalih, diadjar basa kawi, atawa soeroepan sĕmoe, keur djadi mamanisna, tapi oelah woengkoel teuing, manis bae taja pihasileunnana. [ 3 ]Oepama lalab-lalaban, ĕnja matak mawa sari, mawa ngeunah kana dahar, tapi eta hanteu wadjib, teu njĕgĕrkeun ka diri, lamoen lalab tinggal sangoe, hanteu toeloes ngeunahna, tjarita nja kitoe deui, ijeu dongeng nja eta misil sangoena.

Ijeu dongeng hanteu pandjang, pondok oge tapi hasil, sababna djadi ibarat, ngibaratkeun kana diri, pihatoer noe ngagoerit, moegi aja tjoekoep loemoer, sadaja anoe matja, mana koela koemawani, noekil boekoe disalin koe basa Soenda.

Teu nijat pipintĕranan, ngan tina koe atoh pikir, ngiring kĕrsa noe kawasa, Goepĕrnĕmen anoe adil, kĕrsa ngabangoen deui, basa Soenda noe kalipoet, tanda jen kalipoetan, boektina di Soenda sĕpi, hanteu aja boekoe woengkoel basa Soenda.

Reja make doewa basa, nja eta salah-sahidji, Malajoe atawa Djawa, nja bĕnĕr hade teh teuing, kaäsoep djalma radjin, ngarti Djawa djeung Malajoe, tatapi oelah tinggal, basa asal nini-aki, mangka natrat basa asal toetoeroenan.

Kawoela soekoer ka Allah, goesti anoe sipat rahim, sareh kĕrsa noe kawasa, Soenda dihoedangkeun deui, oepama anoe gĕring, ajeuna eukeur mamajoe, ngan tatjan tjageur pisan, manawa sakeudeung deui, moega-moega sing toeloej djagdjag waringkas.

Anoe matak basa Soenda, diseboetkeun hoedang gĕring, tapi tatjan djagdjag pisan, boektina tatjan walagri, basana tatjan bĕrsih, tjampoer Djawa djeung Malajoe, soemawon basa Arab, eta noe reja teh teuing, malah aja noe ĕnggeus leungit djinisna.

Koela lain pisan ngoepat, geus karasa koe pribadi, poegoeh koela oerang Soenda, tatapi hese teh teuing, noelis soepaja bĕrsih, masing basa Soenda woengkoel, tatapi tatjan bisa, sangkilang diati-ati, koedoe bae aja basa noe njampoeran.

Djeung tambah soesah misahna, dina prakara sahidji, kapake koe reja basa, Soenda Malajoe sadjinis, Djawa nja kitoe [ 4 ]deui, orang mindĕng soesah njĕboet, basa mana djinisna, koedoe koe noe leuwih ngarti, djeung noe njaho di reja-rejana basa.

Soegan leukeun lalaoenan, dikeureujeuh mĕngke bĕrsih, kapanggih asalna pisan, ana diotjek dioelik, lamoen hanteu dipikir, lila-lila ge kalipoet, kalipoetan asalna, noe matak kawoela moedji, atoh pisan ka kĕrsa anoe kawasa.

Eta dongeng anoe reja, teu dianggit make dangding, ngan make pada kalimah, lain soesah njijeun dangding, ngan eta leuwih hasil, tara kasĕdĕk koe lagoe, tjarita bisa kĕbat, tara katarik koe dangding, didangoena ngeunah gampang kahartina.


[ 5 ]

1.

MANOEK GAROEDA DJEUNG GAGAK.

Aja garoeda tarik pisan panjambĕrna anak ĕmbe, diranggeum toeloej bae dibawa ngapoeng. Dina mangsa harita aja manoek gagak njahoeun, kabitaeun pisan njeueung tingkahna garoeda teja, pikirna gagak teh: Naha kami lamoen noeroetan tjara kitoe, mowal katoeroetan? Ari geus ngomong kitoe, gagak teh nendjo ĕmbe badot, gagak hibĕr moeloek pisan, ari ti loehoer monteng ka handap tjara garoeda, gĕproek gagak teh njambĕr kana ĕmbe badot sarta diranggeum. Barĕng rek dibawa hibĕr, soekoena kapoekĕt koe boeloe soesoeri ĕmbe; geus teu bisa hibĕr, kaboro koe noe ngangon, gantjang gagak teh ditjĕkĕl diteukteukan djangdjangna, toeloej dibikeun ka anakna, dipake karĕsĕpan boedak. Tjarek anakna noe hidji: Bapa eta manoek naon? Tjarek bapana: ljeu manoek teh hajangeun bisa noeroetan garoeda, tapi saäjeuna tetela jen manoek gagak.

Hartina: oelah wani-wani njorang sagala kalakoean, noe teu pikadjoengdjoengeun koe awak maneh atawa koe tanaga maneh, sabab taja noe pinoeloengeun katiwasan djeung wiwirang maneh kadjaba boedi maneh, noe koedoe ngira-ngira ngoekoer ka koedjoer nimbang ka awak.

__________

2.

RAMBĔTOEK DJEUNG SINGA BARONG.

Dina hidji powe aja singa-barong hidji, katjida ambĕkna, loeloempatan bari asoep bidjil tina leuweung, barina ngagĕro sĕsĕgor, sato-sato pada giras sijeuneun. Kadenge koe rambĕtoek, garetekeun katjida ka singa-barong, rambĕtoek [ 6 ]ngomong: Matak ngewa teuing koe singa-barong, tjatjakan kami lamoen pĕrang di mana bae kapanggihna, wani bae diadoe pĕrang tandingan djeung singa-barong. Singa-barong ngomong barina seuri sarta ngahina, pokna: Montong njaploek sija rambĕtoek! Gantjang bae hibĕr, toeloej asoep kana lijang, iroeng singa-barong, bari njotjoan di djĕro iroeng; singa-barong teh ambĕk katjida bari njakaran hoeloena bae, datang ka rawek, raraheut, baloboran, gĕtihan; ari geus karasa njĕri, singa-barong tobat, bari ngakoe jen eleh.

Rambĕtoek teh boengah katjida tina sabab meunang pĕrangna, bidjil tina iroeng singa-barong, toeloej hibĕr; karĕpna rek oewar-oewar ngabedjakeun meunang pĕrangna djeung singa-barong, samalah pikarĕpeunnana sato-sato oge rek dibedjaän kabeh, tatapi bawaning roesoeh teuing hibĕrna, rambĕtoek teh naradjang rambat lantjah, geus teu bisa oesik, bakal manggih paeh di dinja. Rambětoek meunang soekĕr katjida, ari bijeu pĕrang djeung singa-barong, lain tanding, bisa meunang pĕrangna.

Hartina ijeu dongeng: djĕlĕma koemaki matak tereh meunang tjilaka, sĕrta maneh lamoen meunang padoe atawa gĕloet, oelah sok soesoembar teuing, masing ingĕt mangke di hareup aja noe malĕs, tjara rambĕtoek tiwas koe ramat tataheunan lantjah.

__________

3.

MANOEK TITIRAN DJEUNG NJIROEAN.

Aja njiroean kasaätan, rek nginoem kana pantjoeran, tisorodot, kĕtjĕmploeng titeuleum, meh paeh; doemadakan aja titiran keur eunteup, neundjo njiroean titeuleum, karoenjaeun titiran teh, ngageuwat mĕtik dangdaoenan, diragragkeun kana tjai; njiroewan teh ngarajap kana dangdaoenan, teu toeloes manggihna pati. [ 7 ]Teu pati lawas eta titiran rek dipanah koe paninggaran; barĕng keur diketjeng panahna, titiran tea mah teu njahoeun rek dipanah, tatapi njiroean hanteu samar kana manoek noe noeloengan njait manehna basa tikoentjloeng, gantjang njiroean hibĕr tjara angin, ngadjodjo bitisna noe rek manah manoek teja; tjĕlĕtet bae diseureud paninggaran teh, ngagoeroeboeg teu toeloes manah manoek teh. Titiran hibĕr lesot tina balai, noe bakal djadi katiwasan manehna.

Hartina ijeu dongeng: hanteu dipentaän toeloeng oge, lamoen daek toetoeloeng ka noe lijan, nja maneh bakal ditoeloengan deui.

__________

4.

MOEMOELE PARE.

Aja boedak lalaki doewa, anak noe tatanen, aroelin di sawah bapana; boedak noe hidji ngomong: Itoe pare geura tendjo, noe geus toengkoel djeung noe tanggah keneh, noe keur toengkoel sĕmoe aloem, hanteu hoerip tjara noe keur tanggah keneh!

Boedak noe hidji deui ngomong: Kolot teja bae kitoe, tjoba dewek djadi bapa, eta pare noe toengkoel teh diraboetan bae dipitjeunan kabeh, tinggalkeun noe tanggah keneh.

Bapana ngadenge boedak keur ngaromong, tjarek bapana: Beu, hade pisan pirĕmpoeg maneh noe kadenge koe aing, eta, lamoen maneh teu njaho, eta goreng pamoemoele maneh, teu njaho di anoe hade; pare noe teu dipikaresep koe maneh, nja eta pare noe hade; noe matak toengkoel bawaning bĕrateun koe bejas, ari noe taranggah eta gaboeg kabeh; mangka waspada anak aing kabeh, adat watĕk djĕlĕma nja tjara pĕtaning tandoeran aing pare; djĕlĕma taja kanjaho, angkeuhna rek ngoengkoelan ka noe boga pangabisa.

__________

[ 8 ]

5.

OETJING DJEUNG TITIRAN.

Aja titiran ngopenan kalakoean oetjing, oenggal-oenggal powe anakna sok dipindah-pindah, tjek titiran teh: Oetjing, maneh naha reja teuing akal, ngarah kasalamĕtan anak teh, oelah datang ka dinjĕnjĕri koe satroe, saha noe mapatahan ati-ati kitoe?

Oetjing ngawangsoel: Kanjaho sorangan bae, taja noe mapatahan; balikan maneh, saingĕt kami, teu kapanggih mindah-mindah anak, noe matak rĕmĕn sok ditjokot koe djĕlĕma djeung koe kami.

Hartina ijeu dongeng: djalanan jatna koedoe ngawaskeun kasalahan anoe sedjen, eta ngaran kapintĕran, noe hade noe goreng beunang dipake tjonto.

__________

6.

BEURIT DJEUNG LANDAK.

Keur oesoem tiris aja landak djeung beurit-tjantoeng. Landak boga pamenta ka beurit-tjantoeng, hajang mondok dina lijangna, soepaja bisa njingkahan tiris.

Beurit gantjang bae nitah asoep kana lijangna, tapi landak barĕng geus asoep kana ĕnggon beurit, tjitjing bae teu bidjil-bidjil, toeloej ngeunah-ngeunah bae, dĕpa dina lijang beurit. Noe boga lijang teh, ngentja-ngatoehoe, koekoerilingan teu bisa asoep, tina heurin kaboerang koe soedji rangsĕb, geus teu meunang tjitjing, katjotjog koe boeloe semahna.

Dina mangsa harita beurit-tjantoeng katjida kadoehoengna, roemasa meunang salah, datang ka bidjil omongna ka landak: Ajeuna koela geus teu bĕtah njorangan di loewar, ari asoep ka djĕro heurin, teu asoep diĕnggonan koe doewaan, ajeuna sakadang landak geura oendoer, oelah aja di lijang koela. [ 9 ]Landak ngawangsoel bari seuri: Saha noe teu ngeunah dina lijang jeu, hade maneh bidjil, kami mowal datang ka njingkah, ĕmboeng oendoer tina lijang ijeu, tina manggih kasĕnangan.

Hartina ijeu dongeng: lamoen maneh rek ngawawoehan djĕlĕma, koedoe dipikir heula bejakkeun, sok reja djĕlĕma manggih kasoesahan, djalan tina koerang pamikir, gantjang njobat.

__________

7.

ĔMBE LALAKI DJEUNG SAPI LALAKI.

Aja ĕmbe badot hidji leuwih bĕdas, sasamana ĕmbe atawa doeloerna kabeh taja noe kadoega njangga karosaännana, noe matak djadi ĕdir, rasana geus teu boga lawan, nĕpi ka bisa nangtang pĕrang tandingan ka sapi lalaki. Parĕng papanggih toeloej anggang-anggangan, sĕdja rek neunggar; gĕprak sapisan neunggarna, ĕmbe roeboeh satĕngah paeh, tandoekna rĕmoek; sapi lalaki noe meunang pĕrangna, toeloej bae leumpang.

Barĕng ĕmbe lalaki geus ingĕt tina kalĕngĕrna, sobatna hidji ngaliwat di dinja, nendjo manehna ngadjoprak dina taneuh, toeloej ditanja: Keur naon euj ngadjoprak di dinja? Wangsoelna: kami hajang njaho di awak sorangan njoba-njoba kabĕdasan.

Hartina ijeu dongeng: kalakoean ĕmbe lalaki eta ngaboektikeun omong paribasa, djĕlĕma koemaki palatat-polotot samemeh tiwas, ari geus tiwas ngalehleh.

__________

8.

KALDE, MANOEK GAGAK DJEUNG NOE NGANGON.

Hiji kalde keur njatoean djoekoet di tĕgal, ditoempakan koe gagak matjokan bahakna. [ 10 ]Kalde teh ngarasa njĕri katjida, sabisa-bisa ngarah njingkahna gagak tina tonggongna, tatapi gagak teh teu daekeun oendoer.

Noe ngangon aja di dinja teu djaoeh, tatapi gagak matjokan teh diantĕp bae, ngan tiba dideukeutan, ngagĕbah mah teu daek, anggoer seuseurian tjatjalakatakan nendjo polah kalde, dianggep sisiwo bae.

Kalde ngomong: Eh kanjĕri kami djadi lipĕt doewa, tina sabab anoe wadjib noeloengan ka kami anggoer seug bae njeungseurikeun!

Hartina ijeu dongeng: teu aja noe leuwih njĕri-ati ngan kadjaba tina ditjatjampah, tatapi saha-saha noe njatjampah, njeungseurikeun ka noe keur njĕri, kasoekĕran atawa kawirangan, eta pantĕs dipikangewa koe djĕlĕma hade.

__________

9.

MANOEK KERAK TINGGAL PAROENGPOENG.

Dina hidji leuweung aja manoek kerak moeroe paroengpoengna, tatapi paroengpoengna diandih koe tjioeng, nĕpi ka ĕndogan dina paroengpoeng paranti kerak teh. Anak tjioeng barĕng keur hoemihid djangdjangna, noe hidji anak tjioeng teh geus teu sabar ngadago oesoem, hajangeun hibĕr bae, rek bidjil tina paroengpoengna; ditjarek bari dipagahan koe indoeng bapana, tapi teu diestoekeun. Barĕng kolot-kolotna keur parĕng njaba, anak tjioeng noe hidji bidjil tina paroengpoeng, hibĕr; sarehning boeloe djangdjangna tatjan pĕpĕk, hibĕrna teu djaoeh, toeloej ragrag bae kana taneuh, kapanggih koe boedak angon, dipake karĕsĕpan oelin; soekoena hidji ditalian koe rara, toeloej disangsara sapowe djĕpoet. Barĕng geus pĕpĕk djangdjangna, boga karep rek hibĕr, ngan soepaja [ 11 ]pageuh ditjangtjang soekoena, maksa bae hibĕr satakĕr tanagana; ĕnja bisa lesot tina tjangtjangannana, tapi soekoena sabeulah deui sĕmpal, tinggaleun dina tjangtjangan, geus djadi tjatjad sapandjangna hiroep, sarta djadi gawe doeloer-doeloerna noe wĕlaseun ngingonan, dipĕrnahkeun dina doengoes.

Hartina ijeu dongeng: oelah karejaän teuing sĕdja rek mawa maneh, lamoen maneh tatjan katjonggah koe akal, saloepoetna oge manggih tiwas tjilaka sa oemoer-oemoer.

__________

10.

BANGKONG DOEWA.

Keur mangsa katiga bangĕt saät sagala sitoe, bangkongna noe aja dina sitoe eta pada nejangan ĕnggon sedjen. Ngan bangkong doewa, noe manggih hidji soemoer djĕro sarta aja keneh tjaina, ngomong ka batoerna: eh batoer-batoer saäjeuna montong leumpang djaoeh-djaoeh, tah aja soemoer, hajoe pada njĕmploeng ka djĕro soemoer. Wangsoelan batoerna: Gampang njĕmploeng, tapi koedoe pikir heula, ijeu soemoerna djĕro soteh ajeuna, ari mangkena saät hese bidjilna. Eta doewa bangkong hanteu ngagoegoe ka omong anoe bĕnĕr, keur rada pinoeh tjaina hanteu loentjat, tjitjing di djĕro soemoer bae, rasa maneh ngeunah tiïs. Hanteu lila, tina bangĕting katiga, soemoer teh saät; bangkong noe aja di dinja rek bidjil hanteu bisa, tina sabab djĕro; toengtoengna paeh garing dina djĕro soemoer.

Hartina ijeu dongeng: sagala karĕp, anoe rek disorang, pikiran heula pidjadijeunnana; oelah ingĕt teuing kana kangeunahan ajeuna, bisi tjara eta bangkong, tiwas koe kangeunahan saeutik.

__________

[ 12 ]

11.

TJAREUH DJEUNG TITIRAN.

Aja tjareuh keuna koe pitapak, katjida sangsarana: teu aja deui pikir, roemasa jen bakal manggih pati bae.

Aja manoek titiran, pidik atina, njaho jen tjareuh keuna koe tataheunan manoesa. Titiran gantjang hibĕr njampeurkeun indoengna bari poepoelih, tjarekna: Indoeng soekoer bagdja kamandjangan, satroe oerang bakal ngahareupan pati, soemangga oerang ningali, bari singsijeunan lĕlĕwang, soepaja katjida rĕwaseunnana!

Wangsoelan indoeng titiran: Ĕmboeng aing rek dibawa kitoe, maneh oge oelah balik deui kaditoe, teu boga kaera, boga omong kitoe, karana hanteu hade moewas-moewas ka noe keur meunang balai, sanadjan ka satroe kaboejoetan oge, kadongdora wani, ngalawan moesoeh sabab keur manggih tjilaka, lamoen aja djalma kitoe, tanda djĕdjĕrih sarta goreng ati.

Hartina dongeng ijeu: djalma oelah moewas-moewas ka noe keur kataradjang balai, sanadjan satroe; soemawonna sobat wadjib ditoeloengan.

__________

12.

MĔRAK DJEUNG BANGO SAIR.

Dina hidji powe aja mĕrak paseja, pasija-sija djeung bango sair, paäloes-aloes roepa; tjarek mĕrak: Tingkah maneh matak idjid teuing, tjoba salambar boeloe maneh djeung boeloe kami saroewakeun gĕdena djeung roepana djeung gilapna, kira kami tangtoe aloes kami, tetela kaoengkoelan boeloe maneh.

Wangsoelan bango-sair teh: Eta omong maneh bĕnĕr pisan, ngan saprakara djangdjang, noe hade roepa, handjakal [ 13 ]koerang gawena; mowal njoesoel kana kaleuwihan kami; masih maneh hade roepa oge. Mĕrak nanja: Naon kaleuwihan maneh? Bango-sair lemek: Kaleuwihan kami hibĕr, geura seg soesoel hibĕr kami masing nĕpi kana mega.

Geus ngomong kitoe, toeloej hibĕr, moeloek pisan, mĕrak tinggaleun sarta isin.

Hartina dongeng ijeu: djĕlĕma oelah sok agoel teuing koe kahadejannana saeutik, bisi kaoengkoelan katjida koe batoer.

__________

13.

SOBAT.

Aja noe sosobatan pada loemakoe babarĕngan sarta geus djangdji, lamoen aja bantjang-pakewoeh rek sili toeloengan. Barĕng keur loemakoe teu koengsi lila papapag djeung baroewang, nja eta hidji sato anoe beuki djĕlĕma. Rek ngĕdjat, geus deukeut teuing, mowande katjĕrĕk, tapi salah doewanana, lamoen daek djadi hidji, satingkah sapolah sakarĕp, meureun katjonggah ngalawan baroewang; tapi sobat anoe hidji barĕng njaho jen baroewang, toeloej bae naek kana kai gĕde, noe deukeut kadinja; batoerna noe ditinggalkeun teja, bawaning geus kasĕlĕmpĕk, teu meunang papan, heg ngalaboehkeun maneh, nangkoeban kana taneuh sarta megeg ambĕkan, krana baroewang eta teu daekeun njatoe babatang. Baroewang njampeurkeun ka anoe laboeh nangkoeban, toeloej diambeuan sarta diletakan soengoetna, tjeulina, toengtoengna los bae ditinggalkeun koe baroewang, teu dikijeu-kijeu, tina teu katara jen hiroep.

Barĕng baroewang geus asoep kana leuweung deui sarta geus teu aja balai, noe naek kana kai teja gantjang toeroen, nanja ka batoerna bari seuseurijan loemah-lameh: Eta baroewang teh ngaharewoskeun naon ka maneh? [ 14 ]Wangsoelannan: Kami diwisik woewoeroek ahéng pisan, malah lamoen ti tadina kami njaho jen kitoe pamagahannana, meureun rĕsĕp katjida, mowal sijeun; ari woeroekna teja pokna: maneh oelah daek deui reureudjeungan leumpang djeung sobat noe sok tjidra, hanteu daek sili toeloengan, ngan soepaja salamĕt manehna bae.

__________

14.

BAROEDAK LALAKI DJEUNG BANGKONG.

Aja baroedak lalaki rada loba keur aroelin, pada doegal-doegal oelin dina sisi sitoe, karĕsĕpannana mĕntoeran bangkong, noe keur ngambang dina sitoe, loba noe keuna kana hoeloena, bangkong teuleum, baroedak teh soeka seuseurian tingtjarikikik. Aja hidji bangkong lemek: eh baroedak, kalakoean maneh kitoe teh teu dipikir; maneh kabeh nijat oelin soekan-soekan, ari kami sabatoer kabeh njorang balai gĕde.

Hartina ijeu dongeng: taja kalakoean anoe goreng, kadjaba djalma nganteur kasoekana, kadjeun matak teu ngeunah ka deungeun-deugeun.

__________

15.

MONJET DJEUNG BOEWAH SANINTĔN.

Hidji monjet nimoe boewah sanintĕn tina djoekoet, boewah sanintén aja keneh koelitna; toeloej digegelan, sĕdjana rek dihakan eusina, tatapi hese dihakanna, bawaning teuas sarta tjoetjoekan tjangkangna.

Aja hidji monjet nendjo kalakoean batoerna ti kaänggangan, njeungseurikeun bae ka noe ngokosan sanintĕn; tjarek monjet anoe nimoe sanintĕn teh: Oelah katjida teuing maneh [ 15 ]njeungseurikeun ka kami, aing teu samar kana boewah ijeu, ari tjangkangna rada teuas sarta tjoetjoekan, tatapi sikina poelěn sěmoe amis, asa boewah gajam.

Hartina ijeu dongeng: sagala kabisaän djeung kanjaho mimitina mah hanteu matak rĕsĕp, malah matak hese, tapi lamoen ditĕmĕnan, djadi bisa sarta hasil.

__________

16.

GALATIK.

Aja toekang mikat manoek galatik, djontrotna teu tjitjing-tjitjing, disada bae bari njisilan pare; galatik kentja katoehoeeunnana pirang-pirang noe ngadenge. Gantjang pada njalampeurkeun pamikat. Barĕng datang kana pasangan pikat, manoek noe loba teh pada ngomong: Reja tĕmĕn pare didijeu, djeung kami pada ditjĕloekan njatoe koe kantja, sarta omongna manis, lah hajoe oerang pada moro kaditoe.

Barěng asoepna kana koeroeng pamikatan, saäjaną, galatik beunang kabeh, sarta bakal manggih pati. Dina mangsa harita, ngan galatik noe hanteu daekeun deukeut, noe hanteu beunang teh. Djontrotna nanja: Saha noe mapatahan pintĕr ka maneh, sabab teu daek deukeut kadijeu? Wangsoelannana: Bapa kami noe mapatahan; kijeu mapatahannana bapa teh: Agoes lamoen maneh dieneng-enengan bagdja gĕde, noe gampang hasilna, mangka pĕrjatna, karana alamat hanteu pibageureun.”

Hartina ijeu dongeng: djalma masing awas kana pangwoedjoek; ari pangwoedjoek teja, tangtoe manis, tapi mangkena tangtoe kadoehoeng.

__________

17.

MĔNTJĔK DJEUNG TANGKAL AWI.

Aja mĕntjĕk diboeboerak koe paninggaran, loempat ngadĕdĕmpes dina dapoeran awi, boeni teu tembong [ 16 ]saeutik-eutik atjan. Noe moroan kaleungitan lari. Měntjěk barěng geus roemasa kaloewar tina balai, toeloej njatoean daoen awi, noe mindingan awakna teja. Aja keneh hidji noe moroan tadi teja, ninggalkeun maneh dina deukeut kebon awi, ngadenge krosok-krosok dina awi, sarta njaho jen aja měntjěk, gantjang njěloekan batoer, teu koengsi lila měntjěk katjěkěl.

Barěng rek dipaehan měntjěk bidjil omongna kijeu: pati kami ijeu rek diangkěn pahoekoeman adil, tina kami malěs goreng ka noe mihoetangkeun kahadean.

Hartina ijeu dongeng: noe njijeun kahadejan sok manggih wawalěs goreng, eta geus loembrah boeboehan alam-doenja, tapi noe tjidra mangke meunang wawalěs ti Goesti Allah, noe sipat adil.

__________

18.

LANDJAM DOEWA.

Aja landjam doewa, sa pandaj, sa wadjana djeung sa ěnggona digawe; noe hidji diteundeun didjoeroe, meunang sataoen teu dipake-pake, toengtoengna tai-hijangan. Ari geus lawas noe boga ingěteun kana teundeun landjam, gantjang bae ditjokot; landjam tai-hijangan teh heran nendjo batoerna, noe sok dipake oenggal isoek, katendjona awakna aloes sarta gilap, omongna; Kami heran katjida nendjo awak maneh; tadi roepa maneh djeung roepa kami saroewa, naon noe matak herang awak maneh, ari kami ngeunah ngeunah nganggoer bae, djadi goreng patoet. Wangsoelan noe ditanja: Nja eta panganggoer maneh noe matak djadi goreng roepa teh; ari noe matak hade roepa kami, djalanan diadjar njabak gawe, djadi ngoengkoelan ka maneh.

Hartina ijeu dongeng; djělěma noe sok nganggoer ngahoedangkeun nijat goreng, ari pagawejan tangtoe noengtoen kaboengahan sarta kangeunahan. [ 17 ]

19.

BOEHAJA, MAOENG DJEUNG DJĔLĔMA NGALIWAT.

Aja djĕlĕma leumpang njorang djalan singgĕt, noe sabeulah ti katoehoe goenoeng loehoer djeung sabeulah ti kentja tjai waloengan gĕde, ngaran Logangga. Teu koengsi lila nendjo maoeng toeroen ti goenoeng, njampeurkeun rek ngahakan ka manehna; bawaning geus kasĕlĕmpĕk rek ngĕtjĕboer ka tjai, nendjo boehaja keur ngambang; matak djadi soesah katjida, lemekna kijeu: Tĕgĕs tjilaka awak kami, sabab dipihapitkeun koe balai noe bakal djadi lantaran pati. Bawaning geus koempoel kasoesahan, toeloej bae ngagĕdĕboegkeun maneh kana taneuh, maoengna gantjang ngarontok ka djĕlĕma noe ngagoler, tapi kalangkah kalĕpasan, maoengna kĕtjĕboer ka tjai, ditampanan koe boehaja, toeloej dibawa teuleum; djĕlĕma toeloej bae loemakoe teu koengsi meunang balai.

Hartina ijeu dongeng: nadjan maneh kadatangan koe balai gĕde, oelah pĕgat-pĕgat nĕnĕda salamĕt; ari balai teja teu tangtoe, noe mangka djadi lantaran salamĕt awak maneh; aja noe siga matak tambah tjilaka, tapi radjeun djadi lantaran salamĕt.

__________

20.

MANOEK GAROEDA DJEUNG KOEJA.

Aja koeja boga nijat bisa hibĕr, rĕmĕn ngomong ka manoek garoeda, nĕda diwoeroekan. Oenggal ngomong ka manoek garoeda tjarek garoeda: Sok ngomong teu patoet djeung teu pantĕs kana pipatoeteunnana! Bawaning keukeuh noe hajang, keukeuh noe njarek, toengtoengna nja dianteur karepna tina [ 18 ]ngaroedĕtkeun kana ati batoer. Toeloej koeja diranggeum koe manoek garoeda sarta kĕbat dibawa hibĕr. Barĕng geus nĕpi ka loehoer, diragragkeun, kadjadjadiannana njata saomong manoek garoeda, koeja ragrag kana taneuh, awakna rĕmoek.

Hartina ijeu dongeng: oelah sok nganijatan noe teu pikalakoneun, karĕp kitoe eta bidjilna ti ati takaboer, noe noengtoen kana karoeksakan.

__________

21.

SINGA-BARONG DJEUNG ĔMBE.

Aja singa-barong ngadeuleu ĕmbe tjitjing dina gawir loehoer, karĕpna singa-barong rek njatoe ĕmbe, rek ditaekan teu bisaeun, toeloej bae ngomongan manis: Keur naon nja gawe maneh aja didinja? maneh anggoer toeroen kadijeu, reja djoekoetna djeung roejoek reja noe djaradi, sakoer noe sok dihakan koe maneh.

Ĕmbe lemek bari seuri: Ari omong maneh nja aloes pisan, sabab ĕnggonna sorangan, tatapi teu ngarah ka salamĕt kami, ngan ngarah seubeuh beuteung maneh bae, malar soepaja kami aja dina ĕnggon anoe katjonggah koe maneh, ijeu gawir mowal beunang dioenggahan koe maneh.

Hartina ijeu dongeng: Oelah pĕrtjaja kana pirĕmpoeg djĕlĕma akal djoeroedjana; pirĕmpoegna ngan ngarah hasil kana awakna sorangan bae, teu pisan mere hasil ka noe lijan mah.

__________

22.

BOEDAK LALAKI DJEUNG KALOEWA TJANGKALENG.

Aja noe ngaloewa tjangkaleng diwadahan koe gotji, lijangna rada leutik. Anakna noe lalaki katjida hajangeun [ 19 ]kaloewa tjangkaleng, bapana nitah njokot saeutik, boedak lalaki toeloej ngodok kana gotji njokot sakeupeul, tapi leungeunna teu beunang dipaoet, ditarik-tarik pageuh bae, toengtoengna boedak teh tjeurik. Tjarek bapana: Noe matak maneh tjeurik teh kagorengan maneh, karep maneh njokot teh hajang reja sakali, tjoba lamoen njokot saeutik-saeutik mah, mangka minděng, djadi sakarěp maneh: pikarěpeun hanteu djeung kira-kira sok tara djadi, asoep kana paribasa: gěde teuing tjanggeum; kalakoean eta ngeureujeuh, madjoe hade noe leukeun lalaoenan, soepaja oelah ngaranděg.


23.

HAJAM DJAGO DJEUNG NOE BOGA.

Aja sahidji hajam djago lemek bědas , moedji gěde wawanenna, geus poegoeh kasep roepana, sarta dikawoelaan dipikasijeun koe bikang-bikangna. Noe boga nangtoengan aja di dinja teu pati djaoeh, seuseurian ngadenge hajam moedji maneh, katampana koe djago diera-era, toeloej nanjakeun djago teh: Djoeragan sabab koemaha noe mangka sampejan ngagoemoedjěngkeun omong kawoela, naha kawoela teh bohong? Djoeragannana ngawangsoel: Lain kitoe, bisi aja noe teu nganděl kana omong maneh, tina lalampahan anoe hade eta, loembrah dipoedji koe noe sedjen, lamoen dipoedji koe maneh, koerang antěbna; tjek paribasa teh: „goong nabeuh maneh."


24.

PEUTJANG DJEUNG BANGKONG.

Aja peutjang keur ngarijoeng reja pisan batoer, gawena keur mirěmpoeg pěrkara karisina, teu pětol-pětot manggih kasoesah sok diojak-ojak koe andjing. Noe hidji ngomong [ 20 ]pokna: He batoer-batoer kabeh, koemaha pedah oerang teu pētot-pětot manggih kasoekěr, diojak -ojak koe satroe oerang, noe taja pisan rasrasannana karoenja, oerang kabeh geus diangkěn teuteundeunannana bae, wěnang dihakan sakarép-karěpna; ari pirěmpoeg koela, leuwih hade oerang barěng paeh bae, manan hiroep kijeu mah sa oemoer-oemoer, ngan ngandoeng karisi bae, hajoe oerang ngoentjloengkeun maneh kana sitoe bae, di dinja minangka koeboer oerang.

Batoerna kabeh rěmpoeg, geus pada ihlas atina, rek pada neuleumkeun maneh kana sitoe noe deukeut ka dinja, toeloej pada laloempatan, moeroe kana sitoe teja, ngagoeroeh patingkarěbět patingkorosok, matak kaget bangkong-bangkong, noe pada aja di sisi sitoe; eta bangkong-bangkong pada giras laloentjatan naringgangkeun maneh kana tjai.

Peutjang ngadarenge sora patingkarětjěmploeng ka tjai, noe hidji ngomong: He batoer-batoer eta sora naon patingkarětjěmploeng, kawas aja sato noe sarijeunneun koe oerang?

Batoerna nembal: Enja bangkong laloentjatan, siga sijeunneun koe oerang, toer oerang teja taja pisan pangarah ka dinja, palangsijang oerang nja tjara kitoe boeroengna, mastikeun anoe tatjan tangtoe, waka nijat maehan maneh, koe sabah sijeun dipaehan koe batoer; djadi oerang leuwih hade sabar bae sarta ati-ati, soepaja oelah kabongohan koe moesoeh.

Hartina ijeu dongeng: salawas hiroep koedoe ati-ati oelah kasorang koe prihatin, tatapi lamoen geus manggih prihatin, kasoesahan gěde tjara koemaha oge, oelah rek moetoeskeun paněněda, djeung koedoe ingět tangtoe aja noe ngoengkoelan deui kana kaprihatinan oerang.



[ 21 ]

25.

TANGKAL GĔBANG DJEUNG WALOEH.

Areuj waloeh ngarambat kana tangkal gěbang, tatjan pati lawas, geus něpi kana poetjoekna, areuj waloeh ngomong: Nja aheng katjida sakanjaho kami ngadenge noe ngaromong, oemoer ijeu gěbang geus saratoes tahoen, tatjan saratoes powe kami geus njoesoelan djangkoeng ka ijeu gěbang.

Ngawangsoel tangkal gěbang teh: ěnja tereh, tapi saroewa bae terehna djeung toempoerna, samemeh bejak mangsa ngidjih ijeu daoen maneh tangtoe toehoer kabeh.

Areuj waloeh nanja: Noe matak maneh njaho taksiran, njěta ka noe lijan, ti saha maneh aja goegoeroe?

Wangsoelan tangkal gěbang: Njaho tina ngalaman sorangan bae, djeung geus nendjo mangsa ngidjih sabaraha kali, ari areuj waloeh noe ngarambat ka kami geus loba pada karoemaki sarta tereh roeksakna tjara maneh.

Hartina ijeu dongeng: Oelah soewaban omong atawa takaboer, doemeh tereh naek, krana radjeun oge noe tereh naekna, tereh deui ragragna.


26.

GAGAK DJEUNG GĚNTONG.

Aja gagak doewa halabhabeun hajangeun nginoem, pada nejangan tjai pada hiběr doewanana, manggih hidji gěntong, aja tjaina loba, tatapi bawaning katjida djěrona, eta gagak teu kadoegaeun aboes; ari rek digolempangkeun teu kabawa, atawa rek diarah beulahna, tanggěl. Noe hidji gagak poendoeng sarta toeloej hiběr, noe hidji tinggal nejangan akal, bawaning hanaäng; toengtoengna manggih akal, gagak teh [ 22 ]matjokan batoe djeung tjadas dikětjěmploeng-tjěmploengkeun kana gěntong; barěng geus lila tjai dina gěntong oenggah kaloehoer, teu koengsi satěngah djam gagak teh bisa seubeuheun nginoem.

Hartina ijeu dongeng: sagala kalakoean lamoen aja hesena, oelah dipake wěgah, koedoe keureujeuh bae, oelah sijeun koe hese, oelah pěgat-pěgat nijat nganggeuskeun pagawean, noe tadina ditaksir piteubeunangeun dipigawe, tina dikeureujeuh tangtoe djadi.



27.

BEURIT DJEUNG TJOEBLOEK.

Aja beurit hidji geus ngadenge bedja bab pibalaieun manehna djeung batoerna kabeh, nja eta oetjing, djeung sadjaba tidinja babakoe manoesa satroe panggědena, tina reja akalna. Parěng dina hidji mangsa ti peuting, eta beurit leumpang, manggih tataheunan tjoebloek, di djěrona aja parab deëng sakeureut, beurit ngomong: Kami mowal kalakon njatoe deëng eta, tapi lamoen diambeuan bae mah, mowal djadi koemaha. Ari geus kitoe, beurit teh toeloej ngadeukeutan tjoebloek, sědja rek aboes kana taheun tjoebloek, rek ngambeuan deëng; lila-lila antěl iroengna kana sěsětilna, peundeut tjoebloek teh ninggang, beurit beunang koe taheun.

Hartina ijeu dongeng: Sagala pagawean goreng eta koedoe singkiran sakali djeung oelah pisan-pisan wani deukeut, bisi kapoekět koe panggawe goreng, njaho-njaho geus kakoeroengan.



[ 23 ]

28.

DJĔLĔMA DOEWA LEUMPANG MANGGIH KANTONG DIEUSI DOEWIT.

Aja djělěma doewaän leumpang babarěngan; noe hidji teu lila ngarongkong, aja noe ditjokot tina taneuh, ngomong ka batoerna, pokna: Ijeu tendjo kami nimoe kantong dieusi oewang.

Batoerna ngawangsoel: Lamoen djělěma leumpang babarengan djeung batoer, di djalan manggih naon-naon, běněrna lain kitoe pokna, koedoe: Ijeu oerang pada manggih kantong dieusi doewit, sarta doewitna parokeun. Wangsoelan noe nimoe: Hanteu hajang ngomong kitoe, da saěnjana kami anoe nimoe teh. Sanggeus kitoe, hanteu lila ngadenge sora djělěma, alok-alok kasěbrotan, pokna: Tjekěl djělěma noe njěbrot kantong doewit. Noe nimoe kantong teh ngomong: Doeh batoer oerang djeung silaing doewaän bakal katiwasan, tangtoe kaboektian, kantong disěboet beunang njěbrot. Batoerna ngawangsoel: Běněrna ajeuna silaing oelah ngomong kitoe, njambat-njambat ka dewek, koedoe njěboet: ajeuna kami bakal katiwasan, karana kami ajeuna ěmboeng kabawa-bawa ditangkěp, da tadi oge basa nimoe koe maneh hanteu dibawa-bawa.

Toengtoengna nja eta djělěma noe nimoe kantong ditalian teh, sabab kaboektian; batoerna teu pisan noeloeng, malah poewaseun bae.

Hartina ijeu dongeng: ari leumpang babarěngan djeung batoer koedoe sapapait samamanis, lamoen ěmboeng mere mamanis ka batoer, oelah hajang dibelaän papait.\ [ 24 ]

29.

DJAPATI BODAS DJEUNG GAGAK.

Aja djapati bodas roto sěmoe hideung, asal diběntoer koe boedak, diběntoer koe taneuh bělok, djapati digeunggeureuhkeun koe gagak, sěmoe diëra-era, omong gagak teh: Maneh djapati saroewa djeung roepa aing. Wangsoel djapati: Nja běněr omong maneh, tapi rěgěd soteh ngan boeloe bae, ari kana koelit daging mah teu těroes, samangsa mandi oge tangtoe běrsih deui, balikanan maneh masih mandi sataoen lawasna mowal bisa djadi bodas.

Hartina ijeu dongeng: djalanan ngagorengkeun ka noe běrsih, sadawoeh tembongna roto, tatapi lawas-lawas běrsihna katara sarta matak wěleh noe ngagorengkeun.



30.

OENTJAL DI SISI TJAI.

Aja oentjal nginoem dina waloengan herang tjaina, nendjo kalangkangna, toeloej ngomong, pokna: Behna mah babagian papasten anoe aja dina hoeloe aing oetama, katendjona ngarangkadak dina hoeloe teh tandoek, tatapi ngan soekoe asa koerang prajogana; lamoen ditimbang djeung tandoek mah, geus tangtoe kami djadi sato pangkasepna bae, sanggoep ngadoe kapantěsan djeung kantja sato noe lijan.

Keur ngomong kitoe ngadenge korosok paboeroe ti kadjaoehan sarta nendjo andjing reja, pada moeroe bari ngagogog; oentjal loempat tarik, naradjang těgal, andjing tinggaleun; oentjal asoep kana leuweung, ari rek njoempoet dina roejoek, tandoekna kapoekět areuj-areujan, kaboeroe koe andjing reja, sarta dipagorenjangkeun. Barěng rek paeh sasambatna: Doeh tjilaka těměn awak kami, lantaran tina gědjoel aing, [ 25 ]sobat rek diangkĕn satroe, satroe diangkĕn sobat; soekoe aing noe ditjawad meh bisa noeloengan kana diri, ari noe dipoedji aloes tandoek nja eta noe matak tjilaka teh.

Hartina ijeu dongeng: Arang-arang djĕlĕma njaho noe matak mawa salamĕt atawa noe mawa balai kana awakna.



31.

TANGKAL MALAKA.

Aja njiroean ngĕnggon dina tangkal malaka, madoena reja; tangkal malaka teja giroek atina, samalah moerang-mareng sirik kana kai noe sedjen. Aja tangkal hampĕlas noe ngageunggeureuhkeun kana tangkal malaka, tjarekna: Naha maneh teh soebaha, rasa kami noe matak maneh dipikaäsih koe manoesa, sabab nja eta diĕnggonan njiroean, da boewah maneh mah kĕsĕd. Teu lila njiroean oendoer tidinja, pindah kana kai sedjen; sanggeus kitoe aja djĕlĕma rek ngala madoe, tapi geus kosong, djĕlĕma ambĕk moerang-mareng, toeloej tangkal malaka teh ditoewar, sabab geus taja mamanisna.

Hartina: koemaki noe matak djadi katiwasan, hanteu njaho ditoeloengan sobat noe matak djadi kasalamĕtan, sarta matak diadjenan.



32.

PEUTJANG DJEUNG DJALAK.

Aja djalak eunteup dina roejoek; teu lila aja manoek garoeda njambĕr peutjang noe deukeut kana djalak, toeloej peutjang teh dibawa hibĕr. Peutjang sasambat menta toeloeng, tapi taja gawena, geus pinasti djadi kahakanan manoek garoeda. Djalak teh goreng atina, moewas-moewas kana peutjang meunang balai, omongna: Soekoer maneh, sabab [ 26 ]bongan teu loempat mangka gantjang tangginas, tangtoe bisa njingkiran panjamběrna manoek garoeda. Djalak teh keur ngomong kitoe, gaproek disamběr koe alap-alap, djalak sasambat menta toeloeng, tjara sasambat peutjang teja, tapi taja noe noeloengan.

Hartina ijeu dongeng: oelah pisan-pisan sok njotjoh-njotjoh pahare-hare hiroep ka noe keur kataradjang balai, sababna awak maneh oge meunang kataradjang balai.



33.

HAJAM DJAGO DJEUNG BAROEDAK AWEWE.

Aja hidji nini-nini lampahna wĕkĕl digawe, oenggal-oenggal kongkorongok tjotjoöanana hajam djago, waktoe soeboeh, nini-nini ngahoedangkeun batoer-batoerna, dititah digawe satjabak-tjabakna.

Batoer-batoerna pada giroekeun kabeh ka eta hajam djago, tina kamělidannana, sangeuk hoedang isoek-isoek sarta sangeuk digawe.

Rěměn ngomong djeung batoerna, pokna: Si djago bangkawarah noe matak djadi kapoesingan oerang teh; lamoen taja eta mah, djoeragan mowal tanghi isoek- isoek, meureun oerang meunang seubeuh heës. Tina kagaretekannana sarta hajang leungit karoedětan, hajam djago teh diparijeuskeun beuheungna datang ka paeh, dosana ngan koe sabab sok kongkorongok soeboeh.

Sarehna si djago geus paeh, djoeraganana sasat kaleungitan djam, wantoe-wantoe geus kolot, hanteu bisa sare tibra, oenggal-oenggal ngalilir, batoer-batoerna diharoedangkeun, meh pada hanteu bisa heës, tina rěměn dihoedangkeun, tambah garetekna, tjatjakan lamoen bisa mah, si djago teh meureun dihiroepan deui bae. [ 27 ]Hartina: lamoen maneh hajang ngaleungitkeun kasoesah, koedoe dipikir masing asak, bisa djadi manan leungit anggoer tambah.



34.

BANGKONG DJEUNG SIDAT.

Aja anak baongkong diadjar keneh ngomong, sakeudeung-keudeung disada, papanggih djeung sidat dina běběr; ari sidat teh noe sakaroepa djeung běloet ajana dina běběr sisi laoet. Bangkong mojok ka sidat, tina sabab pireu, tara disada, wangsoelan sidat: Disada oge hanteu poegoeh alang oedjoerna, asoep ngatjo bae, malah matak niwaskeun ka diri. Djělěma noe ngadenge ngewaeun, meureun toeloej diběntoer; rasa koela, měnding tjitjing manan ngatjo mah.

Hartina: hade tjitjing manan ngomong hanteu poegoeh mah. Lodong kosong ngělěntroeng.



35.

REUNGIT DJEUNG LANTJAH.

Keur wantji sore reungit tiriseun tjitjing di loewar, toeloej moeboes ka djěro imah, ngarah haneut sakeudeung-keudeungeun. Mimitina asoep ka imah leutik, anoe oerang lěmboer, didinja neuleu lantjah, jen eta lantjah djadi hama satroe, sagala reungit katjida risina, hiběr pindah ĕnggon, asoep ka boemi gědong. Ari geus datang kadinja, boengah katjida, noe sok ngarawe taja, pokna: Ngeunah nakěr haneut tjitjing di kamar ijeu, kami mowal bidjil-bidjil, matoeh dina kamar ijeu něpi ka oesoem katiga. [ 28 ]Barěng geus peuting, reja damar ratěng, tjaäng matak ngaboengahkeun, toeloej hiběr-hiběran, ngoerilingan damar teja, hanteu lila djangdjangna karerab, reungit ragrag kana damar, toeloej paeh. Soemawonna bisa njaho ka oesoem katiga deui, ka isoekna oge hanteu něpi.

Hartina dongeng ijeu: lamoen maneh geus bisa njingkahan sahidji balai, oelah pisan-pisan njipta, jen salamět ti sagala balai, karana moenggoeh noe hiroep, sasat dikĕpoeng koe balai, saha noe weja, keuna.



36.

KAPITING DOEWA.

Aja kapiting doewa, noe hidji geus kolot, noe hidji deui ngora keneh; noe kolot teh ngomong: Maneh leumpang oelah sok miring, koedoe mangka djĕdjĕg.

Wangsoelna noe ngora: Ari hajang mah panteg leumpang djědjĕg teh, tapi ari prak dilampahkeun teu bisa, ajeuna koela tjik woeroekan koe sampejan. Ana heg njontoan miring deui bae.

Hartina ijeu dongeng: oelah sok ngageunggeureuhkeun patjatjadan noe lijan, ari saroewa tjatjad mah.



37.

DOEWA TJIOENG.

Dina hidji taoen parĕng katiga bangět, reja tatangkalan hanteu baroewahan, aja doewa tjioeng, katjida langlajeuseunnana nahnaj teunanganeun. Lemek ka batoerna noe djagdjag keneh: Batoer tjoba ngadjadjal hiběr, ngoeběng saiděr deui bae, soegan aja boeboewahan, soepaja oerang oelah [ 29 ]katjida teuing nja lěsoe, soegan meunang tanaga; tapi lamoen maneh manggih boeboewahan, kami koedoe dikirim saeutik-eutikeun; mangka gantjang bisi dewek kasěděk paeh langlajeuseun. Noe rada djagdjag teh sanggoep rek ngirim, lamoen manggih rědjěki sarta manggih bagdja.

Toeloej hiběr nejangan tatangkalan noe boewahan, parĕng manggih djamboe boöl keur boewahan sĕrta geus asak kabeh, omongna: Lah dalah kami djeung sobat meunang pitoeloeng. Sanggeus ngomong kitoe, eunteup dina tangkal djamboe teh, bari tonggoj njatoean boewahna, něpi ka seubeuheun; lilana dina tangkal djamboe sadjam. Srengenge rek soeroep, tjioeng geus rek nijat balik djeung rek ngirim ka batoerna. Mangsa harita ngarasa teunangan keneh, sarta ingět bae kana boewah djamboe noe arasak, noe matak kabita, lila-lila toeloej kaheësan. Ingětna geus isoek deui, toeloej bae hiběr ngadjoegdjoeg ka enggon sobatna noe langlajeuseun teja, bareng kapanggih, geus paeh.

Djělěma eta ari geus manggih bagdja tara ingět kana pitjilakaeun atawa kasoesahan noe sedjen.



38.

NJIROEAN LOBA DINA GOTJI.

Aja njiroean loba ngagěmbrong dina gotji dieusi madoe, agahannana rek diseuseupan, datang ka pada kalěboeh, tigoebroes kana madoe. Barěngna rek hiběr teu bisaeun, tina tjiproek koe madoe, njiroean pada sasambat tjeurik, ngarasa jen geus deukeut kana patina. Ari njiroean anoe loba, noe pada salamět asal tina ati-ati, eunteupna dina biwir gotji bae; ěnja teu pati seubeuh njeuseupna, tapi salamět teu tikoentjloeng. [ 30 ]Basa keur pada rek hiběr ngomong ka batoerna, noe katiwasan teja: Kami pada karoenja ka maraneh, tapi bongan maraneh, naha moen tadi, samemeh njeuseup, pikiran heula koe maraneh hesena gampangna pibidjileun.

Hartina ijeu dongeng; hawa gampang njorangna, tapi samangsa geus disorang, balikna leuwih hese; eta oelah poho poho, koedoe pikiran heula, karana handjakalna sok kapanggih di toekang, tapi taja gawena, sabab geus bejak waktoena; koedoe ditijoeng memeh hoedjan.



39.

SINGA-BARONG DJEUNG BEURIT.


Aja, beurit hidji, wani-wani oenggah kana gigir singa-barong keur heës, singa-barong kaget toeloej njaring, sarta beurit teh ditjaploek.

Sasambatna beurit teh: eh goesti! moegi-moegi aja pangampoera dalem ka abdi, tina djalan pandjěněngan dalēm noe leuwih pěrkosa, sarta gěde wawanen, nepami rek maehan abdi noe apēs tjara kijeu, pandjěněngan dalěm geus tangtoe hamo sae kakongaskeunnana, djadi ngahandapkeun kana kaloehoeran dalēm.

Beurit teh dihampoera sarta geuwat dilepotkeun, barina ngomong: Koe aing dikėntjarkeun deui soteh, ngan tina karoenja bae, aing hanteu ngarěp -ngarep kana pamalės maneh.

Teu koengsi lawas, singa-barong keuna koe rawe, amběkna mejak-mejakkeun tanaga, ngarah lesot tina rawe, tatapi teu boga beubeunangan, matak sijeun malah beuki katjida meulitna; gěrona katjida, sagala sato-sato kaboer laloempatan sakarep-karepna, ngan beurit teja anoe hanteu sijeuneun teh, malah -malah noeloengan, gantjang njampeurkeun, toeloej rawe [ 31 ]teh dikěrět sarta koe beurit, singa-barong bisa ngěntjar deui, sarta roemasa, lamoen hanteu ditoeloengan koe beurit, meureun datang ka paeh,sarta roemasa njatjampahna tadi salah.

Hartina ijeu dongeng: njijeun kahadean sărta njаäh ka sasama hiroep, tangtoe aja gandjarannana; sanadjan ka noe leutik, karana hanteu moestail, radjeun oge koering bisa noeloeng gede ka menak.




40.

TJAREUH OETJING DJEUNG MEJONG TOETOEL.

Aja tjareuh djeung oetjing, patingaliděr loemakoe djaoeh bari ngaromong. Noe diomongkeun bab adil djeung roentoet sarta pada ngomongkeun kasalahan eta doewa parakara: maling djeung maehan; geus ditětěpkeun panggěde gědening lampah goreng.

Keur ngomong keneh kitoe, njaho jen aja mejong toetoel njatoe émbe, tjareuh nendjo kalakoean kitoe, katjida njawadna, pokna: Panggoreng-gorengna kalakoean noe sok ngahakan sato noe teu boga dosa, kami mah tara kitoe; beunang diseboetkeun eta si mejong-toetoel sato panggorengna, pangodohna, pangděngkina.

Salilana ngomong kitoe, lampahna beuki deukeut ka lěmboer, didinja nendjo hajam bikang hidji, loba anak-anakna, tjareuh gantjang ngarontok kana hajam bikang teja, sarta toeloej dihakan; děmi oetjing noeroetan polah tjareuh teja, toeloej ngarontok anak hajam, sarta dihakan; mangsa harita kaoetamaännana, kapintěrannana djeung kasalahannana pada leungit. [ 32 ]

Hartina: manoesa hajang katjida ngageunggeureuhkeun kaloeloepoetan atawa kagorengan anoe lijan, kari-kari awak sorangan ngalampahkeun, oeteuk tongo dina tarang batoer kanjahoan, gadjah děpa dina poendoek teu karasa.


41.

SRANGENGE DJEUNG ANGIN.

Dina hidji powe srangenge ngadjak prang tandingan ka angin, noe dipake pasanggiri atawa panajogjaän, saha-saha noe bisa ngahiběrkeun tijoeng noe ngaliwat, nja eta noe oenggoel pěrangna. Mangsa harita angin ngagělěboeg mawa hoedjan gěde, noe ngaliwat teh teu madjoe, balas ngomekeun tijoengna disingsětkeun sabisa-bisa noeloejkeun lakoena, tijoeng beuki pageuh.

Diganti koe srangenge anoe mĕtakeun karosaān; parĕng ka těngah pisan sorotna, něnggěl panasna moreret, bengras kabina-bina. Noe ngaliwat tadi, mangsa keur ngagělěboeg angin, ngan mageuhan tioeng bae, ari kataradjang panas, toeloej ngalaän tioeng, sarta ngijoehan handapeun kai gěde, srangenge boengah, sěbab oenggoel prangna.

Sagala kalakoean, lamoen sareh sarta rapat, beunang ditangtoekeun sok hade kadjadjadiannana; tikĕl sapoeloeh djeung noe heuras rěgas, ngadjoedjoer hawa-napsoe.


[ 33 ]

42.

HAJAM DJAGO DJEUNG INTEN.

Aja hajam djago langlajeuseun koerang parab, ngoreh dina keusik, nimoe intěn gěde sahidji. Barěng nendjo intěn, hajam djago teh ngomong: Tada teuing boengahna toekang njarawedi, lamoen nimoe intěn ijeu; ari lěbah kami mah, měnding nimoe bejas sasiki, manan nimoe intěn sarewoe noe tjara ijeu!

Hartina ijeu dongeng: naon anoe djadi radjěki, noe matak ngoewatkeun kana badan, hanteu beunang digantian koe noe lijan, nadjan roepa sosotja.


43.

BAGONG DJEUNG MEJONG TOETOEL.

Aja hidji bagong keur ngasah sihoeng dina tangkal kosambi, digeunggeureuhkeun koe mejong toetoel, pokna: Maneh teh keur naon? Wangsoelna: Kami keur ngomean pakarang paranti ngalawan moesoeh, bisi aja satroe rek nganiaja ka kami. Tjarek mejong toetoel teh: Rasa kami mah teu pati pěrloe, sababna tatjan aja moesoeh pikarisieun maneh. Tjarek bagong: Nja eta sababna koe kami noe matak dikědap, ari geus beh mah moesoeh, mowal kaoer ngasah sihoeng, ngan kari: taroeng bae, leuwih hade sadija samemeh nĕpi kana gawena.

Hartina ijeu dongeng: noe pintěr ati-ati keur mangsana salamět; ngingětkeun atawa njadijaän baris noe pikapakeeun mangke, bakal noelak balai; ari datang kana mangsana ngan kari make bae; sagala kalakoean noe kasĕlĕpĕk, arang-arang aja hasilna, nja leuwih hade sadija ti awalna. [ 34 ]

44.

TJIOENG DJEUNG KOETOEK-KOETOEK.

Aja tjioeng aboes kana paroempoeng, diarah koe koetoek-koetoek, tapi matjokna atawa njakarna koetoek-koetoek teh hanteu něpi, sabab djěro paroengpoengna. Tjioeng ngaděděmpes di djěro paroengpoeng, koetoek-koetoek tjitjing ngadago di loewar, ngarah bidjilna; tjioeng garetekeun, bidjil napsoena, pok soesoembar: eh toekang maehan, koemaha aing teh koedoe sabar bae, oelah ngalawan ka maneh, heg rasakeun koe maneh, apěs-apěsna mata maneh sahidji bakal djadi wadal.

Sanggeus soesoembar kitoe, tjioeng teh toeloej bidjil, koetoek-koetoek njingkah api-api sijeun, tjioeng soesoembar deui pokna: eh koetoek-koetoek masing ati-ati, oelah njingkah. Koetoek-koetoek naradjang, njamběr deui tjioeng, diranggeum toeloej dibawa.

Hartina dongeng ijeu: lamoen maneh diarah koe noe saloehoereun maneh pangawasana, ari meunang keneh njoempoet mah, montong dilawan, tina wawanen maneh toengtoengna matak tiwas; oepama bonteng ngalawan kadoe, tangtoe bontengna anoe lěboer.


45.

PEUTJANG DJEUNG KOEJA.

Aja hidji peutjang mojok koeja, sapedah teu bisa gantjang; koeja ngawangsoel: ĕnja bae leumpang aing kěndor, tapi lamoen balap djeung maneh kadoega. Gantjang bae peutjang nangtang bari seuri barĕng leumpangna; ari koeja leumpangna ngagělěsĕr bae sarta troes hanteu eureun-eureun, [ 35 ]tjara peutjang, mejakkeun karosaännana, loeloentjatan ngentja ngatoehoe, kakara meunang saténgahna pangbalapan, geus tjape balas loentjat teuing, toeloej eureun bari heës sakeudeung. Omong peutjang: Doewa atawa tiloe loentjat oge kami bisa njoesoel si koeja. Peutjang ngeunah-ngeunah bae heës, hoedang soteh kaget koe noe ngagěděr seuseurian noe nongton djeung noe njaksian; toeloej loempat moeroe pawatesan babalapan, tapi teu loeloes, karana koeja noe heula datangna kana watěs teja.

Hartina ijeu dongeng: hade noe ngeureujeuh sarta těměn wěkěl manan noe gantjang reureundahan atawa gantjang pintjang, měnding laoen ngagembol.



46.

KELENTJI.

Aha hidji kělentji keur njatoean dina djoeket, teu lila ngadenge goeroetoek-goeroetoek koeda tjongklang djeung sora djalma reja; omongna kělěntji: Sora eta kawas anoe rek moro, toeloej njoempoet; noe toempak koeda teh ngaliwat bae teu ngopenan kana kělentji; toeloej kělentji bidjil tina panjoempoetannana, bari ngomong pokna: eh kami mowal loempat, sabab taja noe ngopenan, kadoewana djalma noe nendjo ka kami sěmoe rada sijeuneun. Teu koengsi lila aja djalma ngawaskeun, api-api noe sijeun dodongkoan, tjarek këlëntji: tah noe matak kami hamo loempat, mowal aja pikarisieun, djalma oge sijeuneun koe kami. Bareng bidjil omong kitoe, dibědil koe djalma paboeroe teja, toeloej paeh.

Hartina ijeu dongeng: teu aja balai noe leuwih gěde kadjaba magar maneh taja pibalaieun, tinggal tjaringtjing. [ 36 ]

47.

TJAREUH DJEUNG OERANG LEMBOER.

Aja bidji tjareuh asoep ka boeroean oerang lěmboer: bareng geus njatoe djapati, bidjil sědja rek balik, papapag djeung noe boga lěmboer, tapi tatjan nangen djapatina dihakan koe eta, ngan soepaja eta tjareuh moepoelihkeun maneh, roemasana geus kanjahoan, omongna: Sampejan tadi isoek-isoek geus hareugeu, tatapi koela sorangan tara open kana djapati, ngan tjareuh noe loba noe sok njatoean djapati teh, ari kawoela mah tara pati kitoe. Oerang lěmboer lemek: Tah aja keneh noe boga dosa teh, baroedak paehan eta tjareuh sok njatoean djapati teh. Gantjang anak-anakna pada nareunggeulan tjareuh, datang ka paeh.

Hartina: oelah sok pertjaja ka djalma sok mihade maneh, krana ari djalma hade mah tara moedji maneh djeung djalma boga dosa radjeun bidjil ti sorangan. Tjarek paribasa: kalapa bidjil ti tjoengap.



48.

DJALMA TOEKANG NGALA KAI DJEUNG MONJET.

Aja monjet lila nendjokeun kalakoean toekang ngala kai, meulahna gěpak-gěpoek, bangga katjida keur těrap pantjir, ngarah babari beulahna. Pikir monjet teh: Naha eta djalma noe meulah kai teh kawas heseeun pisan, tjoba lamoen kami moal hese tjara kitoe, krana geus ngintip kalakoeannana, kami kadoega toempangan oge, geus tangtoe gampang bae, moal kitoe. Barěng toekang kai keur pareng eureun njingkah tidinja, monjet gantjang bae toeroen ti loehoer kai ngaraboet pantjir, noe keur nantjéb dina kai keur dibeulah; [ 37 ] baréng pantjir diraboet, kai noe keur dibeulah teh ngaděmpet soekoe monjet, teu lila datang toekang kai teh, monjet ditjěrěk beunang.

Hartina ijeu dongeng; rorosaänan sarta boemisa matak tiwas.


49.

KOEDA KOLOT.

Aja hidji koeda aloes, teu koengsi lawas djadi kapibanda koe noe soegih, teu kakoerangan hakan, djoekoet soemawonna pare; ari gawena hampang, oenggal ditoempakan koe noe boga, matak heran noe neuleu sarta diaralēm koe djalma reja; beuki lawas beuki kolot. Barěng djoeragannana geus paeh, eta koeda didjoewal koe ahli-warisna ka soedagar, toeloej dipake momot. Koeda teh katjida prihatinna bawaning tjape balas dimomotan, sarta soesah koe hakan, dieutik eutik marabannana, djeung djoekoetua goreng, noe dihakanan koe koeda teh. Barěng aral koe papastenna, koeda momot batoerna njarekan ngawéwěleh, tjarekna: Koemaha noe matak aral teh, teu roemasa dewek djeung silaing teh dibakoekeun kana momot, djeung deui teu roemasa diparaban, sababaraha lobana sato-sato noe beurat koe gawe alah batan oerang teu boeroeng hiroep, ari silaing katjida pisan nja aral, matak woewoeh-woewoeh karoeksakan awak bae.

Wangsoelna koeda kolot teh: Běněr pisan omong maneh sakitoe, tatapi koedoe ka noe pantar maneh, lamoen kami geus tabah ti ngongora mah dimomotan, tangtoe lemek tjara oetjap maneh, ari noe matak djadi soekěr djeung teu koewat ngalakonan lain papantjen dewek, beda papantjen tadi djeung ajeuna.

Hartina ijeu dongeng: toeman noe matak djadi kangeunahan, hese gawe ari toeman ti ngongora djadi hampang.


[ 38 ]

50.

MEJONG TOETOEL DOEA DJEUNG BOEDAK ANGON EMBE.

Aja doea mejongtoetoel kakoerangan njatoe, bangět teunangan, babarěngan leumpang djeung pada mejong nejangan hakaneun; nendjo ěmbe loba sarta lalintoeh araloes, gantjang mejong teh diboro koe boedak-angon djeung andjing-andjingna sabisa-bisana ngahalangan, geus mejong doea teh teu bisa nganteur pikarepeunnana, lantaran manoesa metakeun akal. Noe deukeut kadinja aja leuweung, noe hidji asoep ka leuweung eta, noe hidji deui ngaleungit miheulaän leumpangna, měgat di pidjalaneun ěmbe teja, seg tembong njingsijeunan kawas rek ngarontok anak ěmbe, noe ngangon madjoe bari ngahojah-hojah, digogogan koe andjing loba, mejong teh loempat, toeloej diboroan koe andjing, noe ngangon teu pati lila balik poelang moroan, ari datang kana ěmbe geus ngadjaloprak ěmbena, noe lalaki pangaloesna sarta panglintoehna leungit, dihakan koe mejong noe njoempoet teja ngarontokna gampang bae, batoerna noe dioedag-oedag teja dibagianan laoek ěmbe.

Hartina ijeu dongeng: balai eta aja noe teu beunang dikira-kira, ditaksir di noe aja, tampolana taja, dikira-kira taja, bět aja.


51.

KALDE NOE DIMOMOTAN.

Aja kalde dimomotan oejah, meuntas tjai. Bareng datang ka tengah tjai, toeloej děpa sakeudeung, nangtoeng deui geus ngarasa momotna hampang katjida, noe matak kitoe tina oejahna adjoer koe tjai. Nijat kalde akal kitoe [ 39 ]pětana bakal diingět-ingět bae, moal poho-poho, rek dilampahkeun deui. Noe boga eta kalde ngarti dipikareupeun kalde. Barěng isoek deui kalde dibawa deui leumpang, dimomotan kapas, meuntas deui dina tjai noe kamari teja, něpi kana tengah-těngah tjai kalde teh děpa, barěng nangtoeng kaget, beuki beurat momotna, nikėl beuratna djeung basa keur toehoer, něpi ka těu kadoega ngadjoengdjoengkeun momotannana, akal děpa teh teu dilampahkeun deui-deui.

Hartina ijeu dongeng: samemehna maneh ngalakonan sahidji kalakoean, koedoe dipikir heula hadena djeung hanteuna piahireunnava; reja pěrkara dina powe ijeu ngabalaikeun ka maneh, dina mangsa powe kamari mah ngoentoengkeun.


52.

KOEJA DJEUNG WALIWIS.

Aja koeja dina sisi rantja, nendjo waliwis sakoerěn. Bareng rek hiběr ka darat digeunggeureuhkeun koe koeja, tjarek koeja: eh bagdja těměn maneh, bisa njaho kamana-mana, lain tjara kami oedar-iděr deukeut bae. Wangsoelan waliwis: Lamoen maneh hajang njaho kamana-mana, seg kami daek noeloeng mawa ka maneh, tatapi saratna koedoe ngegel kai leutik pandjang; digegelna mangka malang dina pamatoek maneh, soepaja beunang dibawa hiběr. Koeja teh reja-reja bidjil omongna narima ka waliwis, sarta noeroet saparentahna ngegel kai; ari tjongona kai teh digegel koe waliwis kentja katoehoe, toeloej dibawa hiběr; bareng něpi kalebah pilemboeran, djalma noe nendjo pada heran, tina kakara njaho anoe kitoe pětana, djadi diseboet aheng; kadenge koe koeja pamoedji djalma teh, langkoeng-langkoeng boengah sarta ngomong: satěměnna mah hanteu aheng. Ngan kakara sakitoe omongna, geus teu bisa deui ngomong, sababna lesot nge [ 40 ]gelna koe ngomong tadi, toengtoengna koeja teh ragrag, rěmoek pisan, balai noe kapanggih, djalanna nganteur kahajang djeung soeka dipoedji.

Hartina ijeu dongeng: manoesa eta kasēboet tjilaka, lamoen dibejakkeun teuing pikareupeunnana, anoe hanteu pisan pernah kana dirina, hajang ngarah tibra kana pikirna, tina karejaän teuing angkoh, seg bae manggih balai.



53.

PENDIL TAMBAGA DJEUNG PENDIL TANEUH.

Keur mangsa tjäah gěde aja pěndil doewa palid, noe hidji tambaga noe hidji deui taneuh, pada jatna, djaoeh bae pěndil taneuh kana pěndil tambaga teh. Lila -lila pěndil tambaga roemasa dipikasijeun, sarta katjida heranna, lemek pěndil tambaga teh: Noe matak maneh nganggangan teh naön sababna? oelah sijeun-sijeun, kami teu pisan-pisan boga nijat rek nganiaja ka maneh.

Pěndil taneuh ngawangsoel: Nja pěrtjaja ka omong maneh, jen hamo bakal ngopenan ka kami, tatapi oelah djadi ati, kami nganggangan soteh, tina asal kami djeung asal maneh sedjen, eta bae bisi papadoek-padoek, teu karana dinijatan, wantoe leumpang koe tjai, geus tangtoe kami noe bakal tiwas.

Hartina ijeu dongeng: djalma koering teu hade rapět teuing ka menak, sawab radjeun aja djalma noe tiwas, koe lantaran polah menak, lain tina dihadja.



54.

BAROEWANG DJEUNG NJIROEAN.

Aja baroewang ditapoek njiroean, katjida napsoena, moerang-mareng ka sakoer noe deukeut, koe manehna [ 41 ]dinebrak-abrik, ngamoek ngentja-ngatoehoe. Tina bawaning motah ngamběkna, amběkannana kaämbeu koe njiroean loba, pada napoek kabeh sarta pada njeureud. Tina geus hanteu katahan njěrina, baroewang loempat noetoepan tjeuli, djadi njiroean katinggaleun, baroewang salamět.

Hartina dongeng ijeu: lamoen maneh dinjènjëri koe kantja, hade sabar heula bae, lamoen gantjang malės kabawa koe napsoe, loewangna sok tara meunang, malah tambah njěri bae.



55.

MANOEK GAROEDA, MEJONG TJONGKOK DJEUNG BAGONG AWEWE.

Di leuweung aja manoek garoeda, mejong tjongkok djeung bagong awewe, reudjeung saènggon. Manoek garoeda njajang dina randoe leuweung, mejong tjongkok aja di těngah-tengah tangkal eta, bagong awewe di handapeunnana njajang. Ari panggoreng-gorengna akal nja eta mejong tjongkok, sabab eta djadi karoeksakan manoek garoeda djeung bagong awewe. Toeloej mejong tjongkok teh datang ka hareupeun manoek garoeda omongna: Goesti gamparan teh koedoe ati-ati, aja noe rek niat awon ka gamparan sareng ka koering, eta koedoe oeninga jen eta bagong awewe lampahna sok ngagangsir akar tangkal ijeu, teu eureun-eureun panggangsirna, lamoen tatjan dongkap ka roentoeh mah, ngan saoepama kalakon roentoeh paněněda koering poetra gamparan sareng poen anak-anak moegi-moegi diraksa koe Goesti Allah.

Hatoerannana mejong tjongkok teh digoegoe, těmahna manoek garoeda kaängsonan gantjang nganjanaän goreng kana bagong awewe. Mejong tjongkok toeloej njampeurkeun bagong awewe bari ngomong, pokna: Koemaha maneh teu ngimpi, jen bakal kadatangan koe balai, di loehoer tangkal ijeu aja [ 42 ]manoek garoeda ngěnggon, sok ngintip ka maneh, rek nijat goreng? teu aja deui bangsa manoek noe galak sarta gagah, sagala sato dihakan koe manoek garoeda, anak maneh djeung anak kami geus tangtoe tereh dipaehannana, tjoba tinggalkeun sakeudeung bae anak maneh mo boeroeng dihakan. Ti mangsa harita manoek garoeda teu leumpang-leumpang tina enggonna, bagong awewe nja kitoe deui, tina doeanana pada neundeun těrka. Ari mejong tjongkok nejangan hakaneun ti peuting bae, api-api soesah, matak bangět pratjajana manoek garoeda djeung bagong awewe, doeanana ngoeriling bae teu pětot ngadjagana di enggonna sorangan, něpi ka pada paeh langlajeuseun, anak-anakna toeloej djadi kahakanan mejong tjongkok.

Hartina ijeu dongeng: oelah rek nganděl ka noe sok beuki ngomong, sarta sok daek ngagorengkeun noe lijan, di alam doenja taja manoesa leuwih goreng tjara noe boga watěk kitoe, eta panggoreng-gorengna manoesa ngadoe-ngadoe, ngarah tjilaka batoer.



56.

MANOEK TJANGKOERILEUNG DJEUNG KAAK.

Aja manoek tjangkoerileung hajangeun njaho di tanah sedjen, disanggoepan koe manoek kaäk, toeloej pada hiběr, ngaliwat sagara, moeroe poelo noe aja leuweungan, geus tembong, toeloej didjoegdjoeg, saroepaning manoek dina leuweung eta pada ngaroeboeng kana manoek doea noe anjar datang, pada hajang njaho roepana. Manoek anoe geus pada papanggih pada kaget djeung heran nendjo roepana, aloes hideungna, gilap boeloena, manoek mangkoek pada nitah disada, saharita geus pada boengah-boengah hajang ngadenge sora manoek noe hade roepana, katjida pangeukeuh [ 43 ]annana nitah disada kana kaäk, toeloej disada; barěng kaäk disada, manoek anoe katjida tadina kaget djeung heran, sanggeus ngadenge sorana, leungit heranna sèrta pada njěboet handjakal koe sora kaäk, ari patoetna aloes sorana teu ngeunah, teu bisa ganti-ganti sora teu matak heran; ari tadina pada ngalěm bae kana roepana, toengtoengna pada njeungseurikeun, pada mojok. Sabot pada ngaroeboeng kaäk, tjangkoerileung mah taja noe ngakoe-ngakoe atjan, tina roepana bělěwoek, teu matak pikarėsepeun. Tjangkoerilēng ngageuwat disada, kadenge koe manoek priboemi, sakoer noe ngadenge pada kaget pada heran, tjarek manoek mangkoek teh: Tah sora matak ngadatangkeun kaboengahan, tina sorana ngeunah djeung bisa ngadjombali, atawa ganti-ganti lagoena, malah anoe sok panastrenan oge rěsepeun, montjongok ngahoeleng ngadengekeun tjangkoerileung disada, kabeh manoek-manoek noe aja di leuweung eta pada moedji, pokna: Njolong bade, goreng roepana ngeunah sorana, tikěl sapoeloeh rěsep ka tjangkoerileung manan ka kaäk. Ti harita tjangkoerileung pada ngadjenan, kaäk dimomorekeun bae.

Hartina dongeng ijeu: djalma ginding hade djědjěr geus tangtoe ditaksir reja kabisana, ana geus katangen taja kabisa, dipojok sarta dimomorekeun; sanadjan djědjěrna teu pati hade, taja banda, lamoen boga pangabisa, tangtoe diadjenan sarta dipikarěsép.



57.

MANOEK DJOGDJOG DJEUNG SAWEUJ.


Aja manoek djogdjog beunang koe saweuj, sasambatna ngalēngis malar dipikaroenja, menta ka loear; noe boga saweuj karoenjaeun, geus aja pikirna rek dileupaskeun; pok deui bae manoek djogdjog teh ngomong hajang geura heg [ 44 ]dileupaskeun: Lamoen kaoela dileupaskeun, kaoela sanggoep ngitjoek-gitjoek manoek noe reja, soepaja beunang koe saweuj, minangka djadi paněboes diri kaoela. Wangsoelan toekang njaweuj: Hamo keuna pangolo maneh ka aing, ajeuna maneh geus tangtoe dipaehan, tadina aing aja pikir watir ka maneh, sanggeus maneh tembong boga omong děngki ka batoer, djadi aing geuleuh ka maneh.

Hartina; sanadjan maneh meunang tjilaka, oelah tinggal pikir kaoetamaän, aja ogé arěp-arěpeunnana, tina djalma dengki ka batoer, soepaja manehna salamět kadjeun batoer tjilaka, toengtoengna rek salamět oge hanteu toeloes.




58.

MENTJEK.


Aja mëntjëk awewe geus kolot, magahan ka anakna lalaki omongna: Agoes maneh oelah wani-wani ngambah leuweung eta, sabab aja maoeng matoeh didinja, lamoenna njahoeun aja maneh, geus tangtoe toeloej bae ngarontok ngahakan ka maneh. Anak měntjěk nanja ka indoengna: Indoeng sampejan kintěn-kintěnna jasa nganteur, kaoela hajang ditoedoehkeun djiga naön roepana teh satroe noe matak sijeun. Wangsoelan indoengna: Hanteu kadoega nganteur mah, ngan roepana indoeng bisa mětakeun sarta gědena matak sijeun katjida, matana montjorong sěmoena ngarah pati bae, soengoetna lamborok koe gětih, eta kabeh noe djadi paněngěrannana matak gila bae, malah djeung singa djeung baroeang matak sijeun keneh maoeng bae. Tjarek anak měntjék teh: Indoeng lamoenna kitoe mah patoetna, sarta matak sijeunna eta maoeng teh, kaoela panoehoen katjida, koe panteg hajang oeninga, koe indoeng koedoe dianteur. Sanggeus ngomong kitoe, toeloej boengah-boengah loeloentjatan moeroe kana [ 45 ]leuweung eta, kapanggih maoengna keur děpa dina djoekoet, měntjék leutik barěng neuleu ka maoeng ngaranděg sakeudeung, omongna: Eta mah lain maoeng da roepana aloes, boeloena loewis, naon noe matak sijeun teh, omong indoeng, soengoetna lamborok koe gětih, geuning hanteu, ngan matana noe montjorong, tapi sěmoena teu ngarah pati, ngan gilar-gilěr djeung aloes bae, kami kadoega bae ngadeukeutan. Teu lila toeloej bae dirontok koe maoeng. Bareng ngarasa jen bakal manggih pati, sedjen pikirna djeung noe geus diomongkeun tadi, kakara nganděl ka omong indoengna.

Hartina: oelah poho-poho sapapandjangna, jen sipat goreng eta teu koedo-koedoe matak sijeun, nadjan roepana matak résẽp oge, hanteu kapianggeuhan.




59.

OERANG LEMBOER, ANDJING DJEUNG MEJONG TJONGKOK.

Aja hidji oerang Lěmboer, keur wantji peuting poho teu meundeutan lawang parandje hajam; barěng noe boga imah djeung andjingna geus heës, mejong tjongkok datang asoep ka parandje hajam teh, sarta maehan hajam, toeloej dibawa sakoewat-koewatna. Isoek -isoek noe boga njahoeun jen hajamna paraeh, napsoe katjida, andjingna digěboegan, djalan katjida teuing heës, hatoerannana andjing: Geus lěrěs pisan koering diběndoean koe adjěngan, tatapi hoekoeman adjěngan ka koering lěrěsna koedoe dimanah heula jen adjěngan koe andjeun anoe maparin toeladan reja ka koering.

Hartina ijeu dongeng: oelah sok njontoan goreng ka noe sedjen, krana lain matak goreng ka noe sedjen bae, ka maneh ge matak tiwas.



[ 46 ]

60.

PANTJOERAN DJEUNG DJALMA LOEMAKOE.


Dina hidji mangsa keur panas bangét aja hidji djalma keur loemakoe, manggih pantjoeran herang pisan tjaina, djalma teh leumpangna gagantjangan moeroe eta pantjoeran, tina bawaning panas kesangna lokot, tikorona toehoereun, hajangeun nginoem; barang něpi kana pantjoeran, légoek nginoem liwat ti oeroesan, teu lila karasa njēri beuteung; djalma teh ngomong bari měntjetan beuteung, pokna: He tjai tjilaka, saha noe njana, jen ijeu tjai baroewang, tina roepana herang matak kabita, teu njana bět matak njëri beuteung.

Pantjoeran ngawangsoel: Maneh ngagorengkeun ka kami, ngangaranan baroewang, tjoba koe maneh tendjo sagala djoekoet djeung tatangkalan, sakoer noe deukeut ka kami, kabeh pada haredjo, maroeloes, nja kitoe deui sato-sato sakoer noe nginoem ka kami, kabeh pada djagdjag tangginas lalintoeh, kantja maneh manoesa ge pirang-pirang noe nginoem kadijeu, hanteu naon-naon, sabab maneh njēri beuteung, tina tinggal pěrjoga hanțeu ati-ati.

Hartina ijeu dongeng: sagala noe aloes-aloes, noe seungil-seungit, noe ngeunah-ngeunah, lamoen métakeunnana tinggal doega djeung kira-kira sarta teu ati-ati, sok djadi njilakakeun ka diri, sanadjan tjai djadi baroewang, ana nginoemna hanteu djeung pěrjoga.




61.

OENTJAL DJEUNG ADJAG.

Aja oentjal djeung adjag, adjag panastren kana oentjal, ari omongna, mimitina mah moedji: pokna: Silaing aloes katjida, bari sěgoet, ngan handjakal leutik teuing soekoe. [ 47 ]Oentjal ngawangsoel: Kami roemasa ditjawad koe maneh, tatapi da geus kijeu dikërsakeunnana koe Goesti Allah, kami narima bae, kakara kapanggih ajeuna tjatjad kami diseboetkeun koe anoe panastren .

Hartina ijeu dongeng : adat djalma panastren, ana moedji sok itoengtoengan koe pamojok.


62.

SOEMPAH MAOENG TOETOEL.

Maoeng toetoel keunakoe tataheunan oerang lěmboer, bidjil soempahna bangět : Lamoen sakali ijeu dileupaskeun, mowal njatoe-njatoe deui daging, rek njatoe dangdaoenan bae, gěde -gědena njatoe laoek tjai. Noe boga ataheunan ngagoegoe, maoeng toetoel dileupaskeun, toeloej loempat bari djidjingklak, loempatna tatjan pati djaoeh, manggih bagong keưr goejang, omongna: Dalah ijeu sato aja dina djěro tjai, nja ijeu laoek tjai teh , teu kaäsoep kana soempah kami. Gantjang bagong teh dirontok , sarta toeloej disosowek.

Hartina ijeu dongeng : soempah djoeroe-djana lain anděleun, saha -saha noe boga karěsép ngalakoekeun panggawe goreng, hanteu koerang piomongeun atawa pidakoeeun.


63.

KALDE, ADJAG DJEUNG SINGA.

Aja kalde kĕlĕndoeng-kĕlĕndang njaba leuweung, babarĕngan djeung adjag kana ĕnggon singa, tembong ti kadjaoehan, tetela singa, adjag teh kĕtir, balai bakal [ 48 ]němah ka awak, tatapi sanadjan boga pikir sijeun, nangankeun maneh bae, njampeurkeun ka singa, nijat meuli-meuli ati, api -api teu sijeun. Omongna : Noe matak koering doemeuheus ka gamparan, soemědja njanggakeun daměl koering: sarebna koering geus oeninga kasaean manah gamparan, wĕlas ka diri koering, ajeuna koering sědja naros ka gamparan, manawi gamparan hojong toewang daging kalde, batoer koering sasarěngan, koering ěnggeus ngadaměl piloewang keur miloewang kalde, koering sědja bakti ka gamparan.

Wangsoelna singa -barong: Katarima pangbakti maneh koe kami. Teu lila kalde tigoebrag kana piloewang, beunang adjag teja, kalde ngaringkoek hanteu bisa handjat, singa soerak bari njampeurkeun ka adjag, sarta ngomong : Ijeu kalde ĕnggeus milik kami, tatapi samemeh kami moerak kalde, maneh heula bakal dipake ampěr-ampěr. Adjag toeloej dirontok.

Hartina ijeu dongeng: saha-saha djalma njijeun lombang keur naheunan batoer, manehna sok tigoebrag; djalma děngki ka batoer, loembrahna manehna heula tiwas.



64.

BADAK DJEUNG GANGGARANGAN.

Dina hidji powe singa didareuheusan koe sagala sato. Badak, noe goreng bangoenna sarta hanteu serewel, ganggarangan bangoenna tjangkěr sarta serewel; djadi sagala sato pada ngaroeboeng ka ganggarangan bae, djeung pada maroedji tegěpna, tjangkērna djeung serewelna; sato-sato arasih kadinja diadjak sosobatan. Ari badak mah pada ngadjeunkeun bae, taja noe miroseja, malah lamoen hanteu sarijeuneun koe rosana, pada marojok bae, tina goreng patoetna , badigoelna djeung dagilna. [ 49 ]Tatjan aja saboelan lawasna singa geus leuwih doewa poeloeh prakara narima pioendjoek ganggarangan ngistorikeun batoerna, teu koe hanteu bae dipigorengna, ari ti badak mah tatjan aja hidji prakara ngagorengkeunnana ka batoer-batoerna, malah rěměn mere kahakanan; sagala sato-sato geus njaho, jen ganggarangan goreng atina, poerah istori, badak anoe loenggoeh sarta saleh.

Dina waktoe koempoelan deui, kabeh sato -sato pada ngadareukeutan ka badak, loemah-lameh nandakeun ngadjak sosobatan, katendjo koe singa jen sato kitoe pamolahna, beda djeung sasari, singa mariksa ka patihna, nja eta gadjah, pokna: Koemaha sababna eta sato-sato kabeh mana beda djeung sasari? tadina sěmoe arasih ka ganggarangan, ajeuna bět pada ngaroeboeng ka badak, sěmoe asih kadinja? Patih gadjah ngawalon: Soemoehoen timbalan, tadina kabeh pada arasih ka ganggarangan, sabab serewelna, ahir-ahir kapanggih tjidrana, hadena ngan watěs biwir, hanteu tēroes kana ati, hade anoe tjitjing teja, ēnja sadjongdjongan hanteu matak resep , tatapi lila- lila karasa hadena.

Hartina : djalma hade ati, běněr lampah , sanadjan hanteu matak résẽp sadjongdjongan, laoen-laoen dipikarěsép; kitoe deui djalma manis lamběj, sekeudeung matak résép, laoen-laoen matak geuleuh.



65.

AHLI-WARIS.

Aja oerang lěmboer gětol , boga anak hidji lalaki hanteu anggěr pikirna, sapaninggal bapana boga kebon léga dipělakan palawidja roepa-roepa, dipagěr koe dadap ti tinggal bapana, omongna: Hanteu kaharti koe karĕp bapa, ijeu kěbon dipagěr koe dapap, teu aja hasilna, ngan ngaheurinan bae, [ 50 ]sarta ngahijeuman. Sanggeus ngomong kitoe, dadap toeloej ditoewaran datang ka bejak pisan. Sanggeus lenglang kebon taja aling-alingna, sapi moending arasoep, ngaroeksak pěpělakannana, datang ka toempoer pisan; tidinja ngarti jen pagěr eta wadjib.

Hartina : oelah waka ngaroeksak talari kolot, lamoen tatjan kapikir hadena djeung pitěmaheunnana.


66.

MANOEK TJAKAKAK.

Aja manoek tjakakak, isoek-isoek euteup dina dahan kai sisi sitoe keur ngintip laoek, manggih tampele arēj-arějan. Tjakakak ngomong: Hih tampele pait! Leungit tampele, beh beunteur, tjakakak ngomong deui: Hih beunteur roengsėb! Bol deui tjorengtjang, tjakakak ngomong deui: Tjorengtjang laoek reja tjoetjoek, leuwih hade laoek emas atawa kantjra, wěleh hanteu tembong, beuki beurang ngintipna; tina ĕngeus beurang laoek laleutik oge hanteu aja, tjakakak soesah atina, laoek leutik hanteu diala, laoek gěde hanteu aja. Geus kitoe aja kantjra něnggak di tengah, tjakakak ngomong: Lamoen di sisi sija disamběr koe aing! Tapi laoek kantjra hanteu daekeun njisi. Tjakakak bati soesah bae, toeloej hiběr lengoh, di sawah manggih bangkong, disamběr beunang, tjakakak soeka ati, karana bangkong teh hanteu gagal.

Hartina ijeu dongeng: sagala kalakoean oelah kaleuwihan, lamoen aja pirědjěkieun atawa kaoentoengan noe enggeus tembong, oelah diliwat, tina sok hese deui kapanggihna. Moro djoelang ngaleupaskeun peusing.


[ 51 ]

67.

DOEWA ĚMBE LALAKI, HIDJI AWEWE.


Ěmbe awewe njaho jen aja ěmbe lalaki keur diadoe, hajang ngarapihkeun, tapi teu digoegoe, katjida angkeuhna ěmbe awewe teh, nijatna hajang ngarapihkeun; ngomong sadjro pikirna: „lamoen dihalangan bowa lilir napsoena." Sabot ěmbe lalaki ngawahan rek neunggar, dihalangan koe ěmbe awewe těngah-těngahna, němpoeh bareng neunggarna, embe awewe ambroek paeh babar pisan.

Hartina ijeu dongeng: ngingětan ngarah roentoet hade pisan, tapi masing jatna, lamoen ajapih noe keur pada amběk, asoep bongan, radjeun tiwas sorangan.


68.

MONJET.


Aja monjet datang ka enggon toekang oekir artja di leuweung, heran nendjo kaäloesannana roepa-roepa; ditěgěskeun dioelak ilik, wantoening artja tangtoe tjitjing hanteu bisa obah. Monjet ngomong ka artja: nja hade roepa maneh, ngan tjatjadna bodo, teu boga akal sagěde tongo.

Hartina ijeu dongeng: roepa kasep kaoengkoelan koe kapintěran.


69.

ANDJING DJEUNG TOEKANG DJAGAL.


Mangsa toekang djagal keur ngeureutan daging, aja andjing datang njatoe daging beunang ngeureutan, sakeureut tina talěnan, gantjang dibawa loempat; dioedag koe toekang [ 52 ]djagal, bari ditjarekan pokna: eh andjing, sija ngan sakali ijeu bae bisa maling daging anoe aing, ka hareup mah aing bakal ati-ati, soepaja sija oelah bisa maling deui!

Harlina dongeng ijeu: saha-saha noe enggeus katjingtjirihi, sok djadi pintěrna, bati djalan tina roegi.


70.

DJALMA MOERKA.


Aja hidji djalma boga kěbon, dipělakan djěroek paseh satangkal, leuwih amisna; oenggal-oenggal dipoepoe reja beubeunangannana ladang djěroek; djeung manebannana beuki katjida kana djěroek teh; tapi tatjan tibra pikírna: reh eta tangkal djěrock taljan dipindalkeun ka boeroeannana deukeut imahna. Toengtoengna dititah dipoetěr: bareng dipindahkeun toeloej aloem, lawas-lawas paeh pisan.

Hartina jeu dongeng: saha-saha noe karejaän teuing polah, loewangna sok manggih tiwas.


71.

SAPI DJEUNG LALEUR.


Aja hidji laleur eunteup dina tandoek sapi, omongna: Naha kami wani-wani eunteup dina tandoek, sapi maäp bae, tapi lamoen matak beurat matak ridoe ka maneh, kami meureun gantjang bae hiher deui. Wangsoelan sapi teh: Ontong djadi pikir, sabab teu karasa koe kami dieunteupan koe maneh teh, maneh biber ge teu karasa.

Harlina ijeu dongeng: kaleuwihan laleur ela djadi sindir [ 53 ]ka djalma oedjoeb rija, pirang-pirang djalma boga rasa hade, pintěr, kasep, bědas, tapi sačnjana mah banteu pisan-pisan, noe leuwih mah ngan goesti Allah.


72.

TJAREUH KADOEWA ANAK.


Aja tjareuh kadoewa anak, ti peuting asoep kana parandje bajam, seubeuh rjatoean, djago, bikang djeung anak-anakna geus patoelajah. Tjareuh anak sědja mejakkeun hajam saparandje, bapana njarek: Karep manch kitoe hanteu hade, rewog sarla hawěk, hanteu nijat ngagehan, pedah aing geus kolot njaho di hade goreng, djadi leuwih bade montong dibejakkeun kabeh, anggoer balikan deui bae peuting isoek. Anakna ngawangsoelan: Karep koelamah rek dibejakkeun ajeuna bae, lamoen kitoe karep bapa lain pinter, asoep bodo, karana lamoen peuting isoek dibalikan deui, tangtoe noe boga ingon-ingon ijeu geus tjaringtjing, sabab geus njahoeun lampah oerang ajeuna, tangtoe isoekan mah ngintip, ngarah ka oerang; koela mah soepaja seubeuh ajeuna bae, kapake dalapan poweeun hajang njatoe. Sanggeus ngomong kitoe, pada ngaladjoer karepna, tjareuh anak rosa njatoeannana, hejak ka toelang-toelangna, něpi ka kaměrkaän, toeloej pach. Tjareuh kolot toeloej balik, ari reup peuting balik deui kana parandje tadi teh, sědja ngadjoedjoer karěpna, noe boga parandje geus. tjaringtjing, njoempoet di balik panto lawang parandje teja, bareng rek bidjil, tjareuh teh diteunggeul toeloej paeh.

Hartina ijeu dongeng: djalma sapangkat-pangkat oemoerna pada boga katjatjad: noe ngora tara seubeuh koe kaboengahan, karepna ngan hajang seubeuh saharita bae, arang-arang noe [ 54 ]ngora mikirkeun ka bareup; noe kolot tara beunang diingětan koe noe ngora, rasa maneh geus reja loewang; noe kitoe pětana salah doewanana.



73.

BABASAN DJEUNG KAWIH.


Aja doewa boedak lalaki, pada tatangga bae, noe hidji ngaranna ki Sěntot, noe hidja deui ki Gombak. Ki Gombak reja kanjahona dina paribasa atawa woeroek-woeroek, koe ki Sěntot oge reja anoe ditoeroetan pamagahannana ki Gombak, sarta ki Sěntot mah lain ngadji paribasa bae sarta djeung pek dilampahkeunnana. Lain tjara ki Gombak, reměn ngomong, kijeu pokna:Isoek-isoek hade pisan lamoen digawe. Tatapi oenggal isoek bae ki Gombak sok hoedang kabeurangan. Djeung deui rěměn ngomong kijeu: „Boedak daekan běběrěsih, tangtoe dipikaäsih koe pada djělěma;" tatapi ki Gombak ana ka iskola sok make badjoe bělěwoek (roto), matak idjid anoe nendjo. Djeung sok ngomong kijeu: „djělěma těměn wěkěl matak djadi kaboengahan;" tatapi manehna moemoelan tara digawe.

Hartina dongeng ijeu: lamoen boga kabisa atawa kanjaho, diomongkeun bae hanteu djeung pek dilampahkeun, tjoemah taja pedahna, ari hadena piwoeroek atawa omong anoe hade, eta koedoe djeung dilakonan, soepaja kapanggih pihasileunnana.



74.

TANGKAL BOEWAH.


Aja doewa boedak lalaki, ngaranna noe hidji ki Sardi, noe hidji deui ki Djěndoel, rek oelin ka pilěmboeran. Bareng deukeut ka lěmboer anoe disědja, manggih aki-aki. keur mělak pětetan boewah di pakarangannana sorangan, [ 55 ]sěmoena saregěp katjida. Ki Sardi ngomong ka batoerna, pokna: Djendoel tendjo aja aki-aki keur mělak tatangkalan noe tanggěl piboewahaneunnana, taksiran kami eta aki-aki oemoerna geus liwat tina dalapan poeloeh taoen, tapi boga pikir ngarep-ngarep dadaharan boewah eta noe keur dipělakkeun; karep noe tjara kitoe tanggěl pisan. Sanggeus ngomong kitoe, ki Sardi toeloej bae nanja ka aki-aki teja, ari pokna: Aki, eta pagawean aki kitoe, rasa kawoela mah geus teu pantěs, leuwih hade serenkeun ka noe ngora bae, noe pandjang keneh oemoerna, soepaja kadagoan gědena sarta kapoeloek boewahna eta pěpělakan teh; ajeuna aki mělakkeun tatangkalan anoe tanggěl tjara kitoe, moal hasil, krana oemoer aki ngan kari saeutik deui, etá pěpělakan teh hamo kadahar koe aki. Aki-aki ngawangsoel: Lěrěs pisan kawoela geus kolot ta mah, nanging pikir kawoela, oepami kawoela paeh samemeh ijeu pěpělakan kawoela boewahan, sakersa Goesti Allah tangtoe djadi, krana Goesti Allah hanteu kasamaran, naon-naon anoe didjadikeun aja hikmatna, tapi kawoela ngalakonan wadjibna hiroep bae, toetoeloeng ka noe sedjen; djeung deui sampejan oge oelah mastikeun pandjang keneh oemoer, krana oenggal powe oge geus tangtoe koerang oemoer sampejan, mana ari hiroep meungpeung ngora keneh sampejan koedoe ngalampahkeun amal sae, soepaja oelah sijeun maot.

Hartina dongeng ijeu: djělěma hiroep koedoe běrsih, ari ngalampahkeun gawe koedoe noe aja pedahna, geus tangtoe aja hasilna, matak boengah di alam doenja, djeung teu sijeun paeh.


75.

PAMOEDJI.


Aja hidji boedak lalaki ngaranna ki tiloe wělas taoen, sědjana hajang djadi toekang mapas oemoer [ 56 ]kai. Ari geus lawas hajangeun djadi toekang prabot kai-kai aloes, toeloej dianteur karepna koe bapana, diasoepkeun djadi batoerna ki loerah bas, noe geus kasēboet bisa sarta aloes djidjieunannaņa. Bareng keur aja di djěro imah loerah bas, ki Alim katjida heran atina, nendjo dangdanan warna-warna sarta araloes, djijeun eta ki loerah bas, djeung djieun batoer-batoerna noe geus roepa korsi, medja, atawa kenap; saroepana dangdanan pinoeh di imahna ki loerah bas, omongna ki Alim: kami lamoen geus bisa dangdan tjara kitoe aloesna, boengah těměn ati kami. Njaoer ki loerah bas ka ki Alim: Lamoen těměn pikir maneh hajang bisa, koedoe daekan sarta koedoe titen katjida kana roepaning dangdannan, ngarerekepna, tatahannana atawa ngantjingna; laoen-laoen oge bisa. Ki Alim oenggal powe digawe di imah loerah bas, ki Alim ngomong di djero ati: "kami lamoen boga imah tjara kijeu aloesna boengah těměn nja ati.” Barěng ki Alim njaho jen loerah bas tampa doewit loba sarta njaho pameulina kai, noe dipake dangdanan, pikirna ki Alim: "kami lamoen geus djadi loerah bas boengah těměn nja ati.” Oenggal powe ki Alim kitoe bae pamoedjina, ki Alim teu roemasa jen pamoedji kitoe taja pedahna, sabab ngan moedji bae hante djeung pek digawe, soemawonna nitenan salang-soeroepna eta dangdanan, teu pisan ngalampahkeun; ari pangarahna hajang bisa ngan daek moedji bae, ari kana gawe ěmboeng nitenan.

Těgěsna dongeng ijeu: saha-saha djělěma noe tjěpět běněr nitenan roepaning dangdanan, daekan těměn sarta wěkěl, toer asrah ka Pangeran, geus tangtoe bae manggih bagdja, lain pamoedji noe ngabidjilkeun daradjat teh, pek lampah migawena.


[ 57 ]

76.

MANOEK GAGAK.

Kiai Djarwa boga hidji anak lalaki, ngaranna ki Sidin, keur oemoer sapoeloeh taoen, ari ingon -ingonna gagak. Bawaning geus katjida lindeukna, diaboer bae, nadjan hiběr djaoeh ge teu toeloej minggat. Ki Sidin boengah katjida, sabab eta gagak bawaning lindeuk bisa niroe-niroe djělěma, ngomong sakětjap doewa kětjap, tatapi ki Sidin tjoewa saeutik ka gagak teh, krana ari nendjo doeit toeloej bae dipatjok diroewang dina taneuh. Ari gagak keur kitoe polahna, ki Sidin sěmoena moerang-mareng garetek kana gagak, sarta toeloej nanja ka bapana: Bapa naon sababna eta gagak sok njokotan doewit, krana rasa kawoela, ari no kesěboet manoek mah doewit eta taja pigaweeunnana, moal tjara djělěma?

Wangsoel bapana: Běněr Sidin omong maneh kitoe, moenggoehing manoek gagak doewit eta taja pigaweunnana, tatapi aja oge djalma tjěrědik moerka, nja tjara kitoe pamolahna, rěsěp ngampihkeun doewit bae, sarta soehoed ngoempoelkeunnana, manehna oge ari rek make njaaheun, soemawonna mere, noeloeng ka noe miskin, hanteu pisan, ngan rěsěp ngampihan bae; eta noe kitoe beunang disěboet boeroeng, sabab hajang djadi djoeroe simpěn bae, lain hajang boga, keur noeloeng atawa keur pakeeun sorangan.


77.

DJELEMA SIGA REK NGANIAJA.

Keur mangsa oesoem tiris katjida aja hidji djělěma awewe miskin, ngagidir bawaning tiris bangět, teu kadoegaeun leumpang, nangtoeng deukeut kareta sewa, reja [ 58 ]noe noempakan eta kareta, karěpna rek ka kota sedjen. Eta noe miskin ngomong ka koesir, noeroet toempak kareta, tatapi teu make majar něpi ka imahna, sarta karoedjoekan koe toewan-toewan anoe toenggang kareta, malah-malah ngabantoean ngomongan ka koesir, soepaja daekeun ditoeroetan, tatapi eta koesir ěmboengeun ditoeroetan, sarta ngawangsoelna songong, pokna: Ari teu aja bajarannana mah, narah bae ditoeroetan. Ari geus kitoe noe toenggang kareta kabeh pada garetekeun, sabab koesir nganiaja, eta koesir pada ngarentog pada njěsěděk koe noe toenggang kareta. Barěng geus disanggoepan bajarannana koe noe taroenggang kareta, toeloej eta awewe teh ditoempakkeun kana kareta. Sanggeus tampak kareta, katingali koe toewan-toewan, jen koesir mere ngindjeum haroedoem, dijaba tina haroedoem toeloej dibere doewit eta awewe teh koe koesir. Ari doewitna panambah bajaran pedah noeroet toempak kareta teja toeloej dibikeun ka awewe, tjarek koesir teh: Saoepama kami teu menta tambah oembalan, ari datang ka imah maneh naon anoe di hakan? noe di pikir koe kami ngan pihakaneun maneh. Barěng katingali koe toewan-toewan jen koesir kitoe polahna, toewan-toewan kaget sarta sěmoe lingsěm kana koe koesir teh; pedah tadina anoe hidji njaoer ka batoerna toenggang kareta: Sampejan sarěng kawoela meunang njaho di loewang, pěrkara kalakoean djělěma oelah gantjang njawad soemawonna njarekan kana plah noe lijan, koedoe njaho heula di pitoengtoengeunnana.

Těgěsna dongeng ijě: sagala kalakoean manoesa, noe kadjeueung atawa noe kadenge, oelah roesoeh-roesoeh ditjawad atawa dinjanaan henteu patoet, sabab kadjadjadiannana loba anoe salah tina paněrka maneh.


[ 59 ]

78.

BATOE.

Aja koesir, ngaranna ki Saptoe, toempak kareta, loba momotna, njorang djalan djěblog, koedana mogok kabeh. Koesir teh kěrěp pisan mětjoetannana koeda sarta barina ngahaok ngahajoehajoe leumpang kana koeda kareta, tapi pamětjoetannana djeung panghaokna taja gawena, koedana bebejakan tanagana narik kareta, tapi karela wěleh teu daek madjoe. Koesirna bebejakan mětjoetannana bari ngahajoehajoe, manan madjoe kareta anggoer pětjoetna potong, karetana mah teu ngeser saeutik-eutik atjan tina enggonna mogok.

Aja hidji djělěma ngaliwat ngeureunkeun ka noe keur mětjoetan koeda kareta, sarta bari ngomong ka koesir, pokna: Hanteu kaběněran lampah sampejan teh, hojong kéntjéng boeroeng kéntjéng; tjoba lamoen dipariksa heula mah sarta lampah sareh, eta pěrkara noe matak měntog kana kareta, lamoen geus oeninga anoe matak mogok kareta, tangtoe kareta sampejan hamo eureun; sabab batoe noe matak měntog roda kareta. Ki koesir tjitjing bae, teu lemek, bari sěmoe era. Ari geus kitoe koesir teh toeroen njingkahkeun batoe, noe matak njangkol kareta teja, kĕbat koedana narik kareta. Omong ki Saptoe kijeu pokna: Lamoen djělěma rek ngalampahkeun pagawean anoe hese, oelah bari djeung napsoe, hadena koedoe djeung sareh bae sarta koedoe nitenan anoe djadi pamangkaän atawa halangan.




79.

BATOER DOEWA.

Aja noe boga batoer doewa, leumpang ka pilemboeran, ngiring djoeragannana. Ari djoeragannana toempak koeda hideung sarta aloes, ari noe ngiring badarat bae, bari [ 60 ]njoeroeng padati leutik, momot barang. Dina mangsa harita panas bangět katjida, wantoening ngambah djalan keusik; ari batoerna noe hidji geus kolot djeung teu pati tjageur, noe matak koerang tanagana, ari bagiannana njoeroeng padati leutik, anoe loba momotna, djadi kabalangsak katjida ngiring djoeragannana teh.

Děmi noe hidji deui dadasar ngora keneh sarta tjageur, bědas katjida panjoeroengna, ngeunaheun bae, karasa enteng, samalah njeungseurikeun bae ka batoerna noe kolot teh. Anoe kolot teh ngomong ka batoerna noe ngora teja, kijeu pokna: Sapedah maneh tjageur sarta bědas, wantoening keur ngora, hajoe oerang toekeuran njoeroeng sakeudeung bae, padati kami koe maneh soeroeng, padati maneh koe kami soeroeng; sababna padati maneh hampang, saeutik momotannana, katjek beurat koe padati kami, reja momotannana, bawaning beurat, kesang kami wani ngoetjoer, ari maneh ditendjo koe kami tatjan ngarasa tjape.

Batoerna noe ngora lemek: Énja bae kami tatjan tjape, sabab anoe dipalar teja oge hajang oelah tjape, děmi babawaän maneh beuratna ngoengkoelan bawa kami, sarta geus koerang karosaän maneh, eta mah nja kadjeun teuing, kami mah teu rek open, kahajang maneh koedoe ditoeloeng njoeroeng, kami ěmboeng noeloengan ka maneh.

Ana geus diwangsoel kitoe koe noe ngora teh, eta batoer kolot katjida soesaheunnana, toeloej ngeureujeuh sakadoega-doegana, nangankeun maneh njoeroeng padati, tapi beuki lila beuki katjida tjapena, malah katinggaleun bae koe batoerna noe ngora teja; ari toengtoengna broek bae nambroe batoer kolot teh. Ari djoeragannana anoe toenggang koeda teh aja heulaeun anoe njoeroeng padati, teu pati djaoeh ti badegana, baréngna katingali badegana mopo, toeloej njampeurkeun, badegana noe mopo dititahtoempak padati, padati doewa [ 61 ]dirangkėp disoeroeng koe saoerang bae, koe badegana noe ngora teja. Ngomong bari njoeroeng, pokna: Nja běněr tjarek paribasa, saha-saha teu daek toetoeloeng ka noe sedjen, sok réměn manggih kasoesahan gede.




80.

PAHILI DJALAN.


Aja doewa boedak oerang lěmboer, awewe, ngaranna nji Sijem, noe hidji deui ngaranna nji Dijěm, dititah koe bapana ka pilěmboeran sedjen, djaoehna lalakon doewa djam ti lěmboerna, ari djalanna geus ditoedoehkeun koe bapana; tjarek bapana: Oelah sambewara, lamoen teu lalawora maneh mowal kasaroeng. Eta boedak doewa toeloej leumpang, djalan njorang pasawahan, sadjalan-djalan běger, boedak awewe doewanana ngalengkahna tingdjarengket bari sisindiran, ari lila-lila ngarasa jen kasaroeng, geus kitoe nji Sijěm ngomong ka batoerna pokna: Dijěm koemaha oerang ari geus kijeu, rasa kami mah lamoen toeloej bae noeroetkeun djalan ijeu, mowal datang ka lēmboer noe disědja teh. Wangsoelan nji Dijěm: Ari kitoe mah hajoe oerang pada balik deui bae, nejangan djalan anoe běněr, lamoen noeroet kana djalan ijeu hamo boeroeng kasaroeng. Boedak awewe doewa toeloej baralik deui ka oeroetna, nejangan djalan anoe běněr sarta kapanggih djalan anoe běněr teh, teu pati lila lěmboerna tembong, tatapi nji Sijěm sapandjangna leumpang malik ka toekang, repeh bae teu ngomong-ngomong, kawas aja noe dipikiran? Wangsoelan nji Sijěm: Keur mangsa oerang roemasa jen kasaroeng, ari geus kitoe oerang toeloej balik deui, nejangan [ 62 ]djalan noe běněr, ari omong maneh lamoen ditoeloejkeun bae oerang tangtoe kasaroeng, eta noe koe kami dipikir dina djěro ati, sapirang-pirang lobana djělěma noe kasaroeng, tina sabab njingkahan djalan kaoetamaän, njorang djalan kadorakaän, anoe noengtoen kana karoeksakan, sanadjan enggeus karasa oge jen pikasaroengeun, tapi reja-reja djělěma sok ditoeloejkeun bae.

Tégěsna dongeng ijeu: lamoen maneh njorang djalan anoe teu běněr, noe bakal ragrag kana kadorakaän, samemeh asoep kana kadorakaän, koedoe gantjang balik deui, soepaja oelah toeloej kasaroeng.




81.

DJELEMA MALARAT.

Ki Djalidin anak djělěma malarat, djadi pangangon sowang oerang lěmboer, ari dadaharannana kedjo pabaoer djeung bangsal, lalawoehna babarangan bae, ari nginoemna oenggal powe ngan tjai bae, papakeannana badag sarta geus loesoeh, katjida pisan ngěněseunnana sarta aral, malah ngomong ka ki Dama, ari pokna: Dama maneh djeung dewek kaäsoep kana djělěma tjilaka, sapowe djěpoet ngan noetoer-noetoerkeun djeung ngaraksa sato; noe hese diingoena, ari diingonan ngan saeutik, tamba langlajeuseun, soepaja bisa hiroep bae, satěgěs-těgěsna djělěma anoe soegih eta leuwih bagdja, ngoengkoelan maneh djeung dewek; noe dihakan noe diinoem koe noe soegih-soegih mirasa kabeh, papakeannana araloes sarta sadija, imahna nja gěde nja aloes, teu soesah njabak gawe. Kakarek sakitoe ngomongna ki Djalidin, disěla koe ki Dama, kijeu pokna: Ari anoe soegih teja, noe ditjatoerkeun koe maneh, disěboet bagdja, ari rasa [ 63 ]dewek mah teu bagdja, tatjan lawas dewek ngadengekeun omongan djělěma noe soegih-soegih, eta loba noe tatjan tibra pikirna koe kasoegihannana, atawa koe dadaharan ngeunah, soemawonna ngaleueut ngeunah; ěnja koerang digawe, sabab tina rěměn gěring, ari maneh jeung dewwk tjageur bae, ěnja bae teu njatoe noe ngeunah, teu make noe aloes, tapi oepama njatoe sahoewap nginoem sarēgot, tjoekoep reudjeung běrkah; ari papakean geus sěděng sakijeu bae aloesna, geus nimbangan kana pagawean anoe keur dilampahkeun koe oerang, ti peuting lamoen heës ngeunahna sok rěměn tětěmbangan, němbangkeun woeroek goeroe dewek, kijeu seboetna:

MIDJIL.

Djělma oelah panas ati teuing, hanteu paja nendjo, batoer bagdja sok djadi panastren, koedoe soekoer ka kërsa Goesti, djeung djėlma noe soegih, teu beunang disēboet.

Djalma bagdja krana anoe soegih, reja noe teu pětot, ngarep-ngarep tambah soegih bae, tégěs bagdja djalma noe tiïs, noe taja karisi, ngeunah njatoe-nginoem.




82.

MENDOENG POWEK .

Mangsa dina hidji powe waktoe asar, měndoeng powek, ngalamatan rek hoedjan gěde, oerang lemboer ngaran Wirapatra ngomong ka tatanggana, ngaran Najawangsa, pokna: Noe katendjo koe sampejan itoe měndoeng powek saloewarna, taksiran kawoela rek hoedjan gěde, tjai wahangan geus gěde, moal boeroeng tjaäh, kawas rek ngidjih, tjara noe geus kalampahan, datang ka ngeueum pasawahan, [ 64 ]matak roeksak kana pěpělakan; koemaha akang lamoen kalakon tjaäh deui, pikoemahaeun sampejan djeung kawoela, sarěng anak-anak kabeh, saoepama katiwasan pěpělakan, taja pisan anoe bakal dihakan? Najawangsa ngawangsoel: Adi taksiran kakang mah hanteu téroes djeung taksiran adi, pěrkara měndoeng enja rek hoedjan ta mah, tapi moal gěde. Bareng pada keur ngomong kitoe, teu koengsi lila angin ngagělěboeg, lěs bae leungit hoedjan teh, djeung měndoengna leungit, teu toeloes hoedjan gede.

Misilna dongeng ijeu: sarehna manoesa teu dipasihan kaleuwihan koe Goesti Allah njaho di kalakoean sagala noe tatjan kasorang kalampahkeun, ngan wadjibna koedoe pértjaja bae, oelah tjangtjaja ka Goesti Allah, sarta koedoe digawe ngalakonan wadjib, oelah rěsép totorahan.




83.

TJANGKOERILEUNG.

Si Jakoeb nendjo tjangkoerileung eunteup dina tangkal tan djoeng, ngomong ka adina awewe, pokna: Satiněm tendjo manoek tjangkoerileung eunteup dina tandjoeng, aloes pisan roepana, sakeudeung deui oge meureun beunang koe kami. Toeloej si Jakoeb naek kana tandjoeng, naheunkeun pamikat dina dahan; ari geus masangkeun pamikat djoet toeroen deui, ngawaskeun pamikat, měntjrong djeung adina noe awewe teja. Teu koengsi lila tjangkoerileung teh beunang dipikat, gantjang si Jakoeb naekan manoek anoe beunang koe pamikat: ari geus népi ka loehoer, si Jakoeb ngarongkong rek newak manoek, manoek ngan tiba katowel, dahan tandjoeng noe ditintjak koe si Jakoeb sěmplak, si Jakoeb ragrag, manoek anoe geus beunang leupas deui. Ari si Jakoeb bohak leungeunna, kasogok koe sěsěmplakan dahan [ 65 ]tandjoeng; si Satiněm ngomong pokna: Jakoeb maneh ajeuna mah meureun kapok, moal daek naek-naek deui, sabab geus bohak leungeun maneh, ari naek deui, lamoen maneh ragrag meureun potong leungeun maneh, atawa soekoe maneh. Tjarek Jakoeb barina seuri: Moal kapok, teu ditaheunkeun soteh pamikat teh, manoekna giras, sabab geus beunang lepas deui. tangtoe hese njorangna kana pikat, djadi sijeuneun koe pamikat; hanteu mikat deui soteh lain koe sabab sijeun potong leungeun, atawa potong soekoe, ngan kami djadi lalar kasab, moal boga beubeunangan.

Tjarek si Satiněm: Ari kitoe mah, djadi pintěr manoek tjangkoerileung manan maneh, tandana teu daekeun eunteup deui ka oeroetna tadi, tina sijeunneun koe balai; ari maneh geus naradjang ragrag, meh meunang balai gěde, aja nijat rek njorang deui.

Hartina ijeu dongeng: Saha-saha djělěma manggih tiwas saeutik, hanteu beuki pintěr, sanadjan bakal manggih balai gěde oge, moal bisa njingkahan.



84.

BELO.

Toewan van den Brink sore soemping ka lěmboerna, isoek-isoek ngaděg di boemina deukeut djandela, ningali koeda bělo tětěgaran dina pělak katjang tjina, ngaroeksakkeun pěpělakan. Toewan mariksakeun ka toekang gědongna: eta koemaha aja koeda loeloempatan dina pělak katjang diantěp bae? Wangsoel toekang kebon: Eta koeda lain kagoengan adjĕngan, poen djoeroegiling noe gadoeh koeda bělo teh, mangga koe koering rek diboeboerak sarta noe gadoehna rek ditjarekan. Barěng něpi ka sore, toewan van den Brink ngoeriling di panggilingan, njaoer ka toekang giling, keur nangtoeng dina lawangna, saoerna: Kami nendjo koeda [ 66 ]maneh tětěgaran dina kěbon kami, lamoen kapanggih deui koe kami tangtoe ditjékěl, dilaporkeun ka poelisi! Toekang giling ngawangsoel barina seuri: Soemangga bae ditjandak sareng dilaporkeun ka poelisi oge.

Bareng isoek toewan van den Brink ningali deui aja koeda loeloempatan dina oeroetna kamari; manahna toewan van den Brink dilawan koe toekang giling, toeloej miwarang njokot eta koeda sarta toeloej dibawa ka poelisi. Koe poelisi diděngda, minangka djadi hoekoeman anoe tambelar ka tjotjoöan, ngaroeksak kěbon batoer; eta děngdaän dikeunakeun ka toekang giling teja, sabab eta noe diseboet boga koeda, tatapi hanteu djadi, sabab kaboeroe trang jen eta koeda kagoengan toewan van den Brink. Toewan pindah běndoena, hanteu toeloes běndoe ka toekang giling, běndoena ka djoeroe gědong teja, malah dengdaännana dikeunakeun ka dinja, ditjandak tina bajarannana saboelaneun. Toewan van den Brink ngalahir ka djoeroe gědong: He djoeroe bohong! tina bohong maneh ajeuna njilakakeun ka maneh, saboelan ijeu maneh moal dibajar, sabab bajaran maneh teh dipake ngeusian děngdaän kabohongan maneh teja.

Hartina ijeu dongeng: omong bohong teu matak bisa njait tina kasalahan maneh, anggoer-anggoer matak ngabeungbeuratan, tambah katiwasan maneh.



85.

EMBE LALAKI .

Boemi dalěm Toeměnggoeng Djajaprajatna gěde, prabotna sae katjida. Dina hidji mangsa dalěm Toemenggoeng rek ngarsakeun aměngan, woewoeroek ka rentjang awewe, ngaran nji Měntik, lahirannána: Kami rek aměng-ameng, [ 67 ]lawang imah koentji oelah mangka boeka, maneh geus rěměn diparentah kitoe, sok tara noeroet, soegan sakali ajeuna mah ngadenge kana parentah aing; lamoen teu dikoentji, bisi aja noe njajab, njokot barang dangdannan aing. Wangsoelan nji Měntik: Soemangga diestokeun pisan timbalan. Dalěm Toeměnggoeng toeloej angkat aměng-aměng; dalěm geus djĕngkar, nji Méntik toeloej ka soemoer ngala tjai, lawang-lawang boemi digěblagkeun bae tjara ka toekang-toekang, omong nji Měntik: „naha di loeloeroeng bět taja djělěma hidji-hidji atjan, anoe tembong; katjida teuing dalěm rempan manah. Sabot ngomong nji Měntik djeung boedak awewe di soemoer, aja ěmbe badot asoep ka djěro boemi, njampeurkeun kana eunteung gěde, noe nanggeuh kana bilik tembok; tembong roepa ěmbe di djěro eunteung, maroekan ěmbe enja, toeloej rek diteunggar, barěng ěmbe ēnja ngawahan, eta kalangkang na noeroetan, beuki tarik ěmbe énja teh neunggar katja, rěmoek pisan. Barěng nji Měntik rek balik ti soemoer, keur ngadjoengdjoeng kělenting, nji Měntik ngadenge sora noe ngagěmbrang sada katja, gantjang asoep ka boemi, ari nendjo kalja geus rěmoek, nji Měntik ngarameusan leungeun sorangan, toeloej ěmbe diboeboerak, sarta bari digěboegan, ari katja tea mah geus teu hade deui, tonggoj bae rěmoek.

Barĕng dalĕm Toeměnggoeng moelih, njondong katja geus rěmoek, bawaning bangět běndoena ka nji Měntik, toeloej bae ditoendoeng, sarta bajarannana teu dipaparinkeun, sabab djadi siksaän kana lalaworana, teu ngestokeun parentah, matak noengtoen bae karoeksakan. Watěs harita nji Méntik ati-atina tara koengsi dititah deui meundeutkeun lawang, tina geus kaboekti lalawora noe matak djadi balaina.

Paribasa: noe anom-anom kakara tjaringtjing djeung tambah pintěrna, koedoe geus manggih katiwasan.



[ 68 ]

86.

OENTJAL.


Aja hidji boedak lalaki ngaran si Běgog. anak paninggaran; bapana paeh dibědil koe djoeroedjana di leuweung, ari si Běgog keurna leutik dimoemoele koe indoengna bae. Barěng geus oemoer doewa poeloeh tahoen noeloejkeun pagawean bapana.

Dina hidji powe si Bėgog moro ka leuweung, mawa bědil, reureudjeungan djeung paninggaran anoe loba, noe sok pada barogoh boeboeroe. Si Běgog ngabědil oentjal gěde hidji; teu kěna, ngadenge aja djělěma sasambat dina djěro doengoes, sasambatna: „Adoeh aing keuna koe bědil!” Si Běgog gantjang njampeurkeun ka noe gěgěroan dina roejoek; barěng ditěmpo, aja hidji djělěma geus kolot, lalangsoedan oetah gětih, teu lila batoerna si Bėgog anoe loba pada ngadeugdeug ka noe kabědil, si Bėgog toeloej ngarangkoel ka noe kabědil teh, bari tobat sarta barina tjeurik: Noe matak koela ngabědil oentjal teu njaho jen aja djělěma dina roejoek ijeu, djeung teu ngadenge sora djělěma. Noe keuna koe bědil lemek: Maneh moal soesah menta pangampoera ka kami, ajeuna kami rek moepoelihkeun sahidji pěrkara ka maneh, něpi ka ajeuna djělěma taja noe njaho: noe maehan bapa maneh di handapeun tangkal djati ijeu, nja kami; ajeuna anakna noe malěskeun pati ka kami, nja didijeu keneh teu karana dinijatan. Sanggeusing ngomong kitoe, ari geus deukeut kana hos, njěboet Goesti Allah adil. Anoe keur pada aja didinja bareng ngadenge noe njěboet kitoe, pada ngagětěr kabeh.

Hartina dongeng ijeu: saha-saha djělěma mihoetangkeun pati, awal-ahir tampa pamalės, pangeran sipat adil moal kasamaran.



[ 69 ]

87.

LAOEK GOERAME.

Aja hidji djéléma toekang ngala laoek, boga koelah hidji, teu djaoeh tina imahna, dieusi goerame loba djeung araloes.

Rěměn dititah didjoewalan, noe toekang ngadjoewal batoerna ngaran Boegěl, wadah paranti ngadjoewal tahang.

Eta si Boegěl maling goerame hidji noe Démang di lěmboer, diteundeunna dina koelah, ari koe si Boegěl dibaoerkeun djeung laoek djoeragannana di djero tahang, toeloej rek didjoewal ka noe boga eta laoek. Barěng datang ka imahna kijai Děmang, ditawarkeun ka geureuhana; njai Děmang bareng nendjo goerame, toeloej bae njaoer: Laoek ijeu tina koelahna kijai Děmang, kami teu pangling roepana. Laoek toeloej bae ditjokot koe nji Děmang, teu make didoewitan, malah-malah si Boegěl dilaporkeun ka poelisi sarta toeloej diberok, těgěs pamalingna.

Teu koengsi lawas si Boegěl maling deui goerame tina balong kijai Děmang teja, didjoewal ka loerahna. Barěng ditendjo koe kijai loerah, toeloej njaoer kijai loerah: Ijeu laoek beunang maneh maling tina balongna kijai Děmang. Si Boegěl toeloej bae diberok tiloe peuting, ngan dibere kedjo bae djeung tjai. Ari geus lepas, si Boegěl hajang njoba sakali deui, soegan aja bagdja, rek maling deui goerame gěde sahidji ti balongna kijai Děmang teja. Toeloej dibawa ka pasar djěro nagara, didinja dikira moal aja noe njaho ka manehna djeung katjoelikaännana. Pareng aja lébe lémboer (barangbeuli kapasar) nendjo noe dagang goerame, diilikan koe lébe teh, toeloej lěbe teh oewar-oewar pokna: Ijeu laoek beunang maling, kagoengannana kijai Dĕmang! Si Bogel kalaporkeun ka poelisi deui, ditrapan hoekoeman rangket. [ 70 ]Si Boegěl ngomong sorangan: nja heran katjida doemadakan aja bae noe njaho, jen laoek beunang maling, ari tjirina ngan eta pepetna diboentoengan saeutik, tapi sanadjan ditjirian oge, běněrna ngan batoerna noe njaho teh, ari lain batoerna mas Dệmang mah běněrna moal njaho, sarta tjirina hanteu pati katara. Si Boegěl lila pisan ngilikan tjiri eta laoek.

Toengtoengna si Boegěl ngomong: Tina awasna bae noe matak katara, karana oenggal-oenggal ngadjoewal laoek beunang maling ngan kapanggih bae.

Hartina: sanadjan boeni noe maling, lawas-lawas kabitoer bae, noe matak manoesa oelah pisan boga nijat rek maling.




88.

KADAL.

Aja hidji djělěma randa, leumpang di sisi tjai teu djaoeb tina imahna, mawa anakna leutik keneh doewa, ngaranna noe hidji si Djěndoel, noe hidji deui si Saminah, rek ngalasan dangdaoenan. Barěng datang ka sisi tjai, nji randa lemek ka anakna: Maneh tjaritjing didijeu aroelin, aing rek ka handapeun gawir tjadas gantoeng, rek nejangan dangdaoenan. Toeloej nji randa leumpang ka handapeun tjadas gantoeng teja; tatjan koengsi lila ngadenge sora anakna awewe djerit-djèrit, geuwat diboro koe nji randa, si Saminah poepoelih bari tjeurik: ěmbok aja oraj rek ngegel ka koela! Si Djěndoel seuseurian: Lain oraj eteh, kadal loempat njirindil njoesoep kana roejoek eta.

Nji randa ngomong ka anakna: nja kadal eta patoetna hedjo sarta herang, tapi tara daekeun matjok djělěma. Sapandjang ngomong kitoe ka anakna, tjadas gantoeng teh oeroeg, [ 71 ]sorana ngagoeroedoeg djėgoer, nji randa djeung anak-anakna kaget katjida, omongna: ěh njai, hajoe oerang pada soekoer kana pitoeloeng Goesti noe maha soetji, djalanan tina kadal Goesti Allah masihan pitoeloeng hiroep ka si indoeng; saoepama taja kadal anoe matak ngadjèrit si Saminah, pinasti aing paeh katindih oeroeg.

Hartina ijeu dongeng: sing-saha noe pasrah ka Allah sarta ngarép-ngarép pitoeloengna dina sadjěroning balai, eta tangtoe diraksa sarta salamět, pitoeloenging Allah tara kanjahoan djalanna.




89.

PANON-POWE.


Amboe Saridja sarėgép pisan kana gawe. Geus wantji soeroep panon-powe di sawah keneh djeung anakna doewa, ngaranna Saridja djeung Saridjah. Barěng datang ka imahna, geus aja njajnjaj damar di amben, si Saridjah kaget katjida, lemekna: Di imah taja djělěma hidji-hidji atjan, saha eta noe njeungeut damar teh?Moal saha deui noe pinjeungeuteun damar teh, taksiran kami mah bapa, kitoe tjarekna Saridjah, tangtoe geus moelih ti dajeuhna. Toeloej bapana ditarejangan, teu lila kapanggih, eta boedak doewa pada boengah-boengah. Ari isoekna bapa Saridjah ngarit ka tegal léga, anak bodjona mariloe, panon-powe bengras katjida, boedak doewa pada boengah-boengah; bapa Saridjah ngomong ka anak-anakna: Tadi ti peuting maneh pada bisa naksir, jen aing ditaksir noe njeungeut damar, ajeuna maneh nendjo srangenge, tjik njaho di noe njeungeutkeun?

Si Saridjah ngawangsoel: Kawoela njaho bapa, noe njeungeutkeun teh satėgěsna Goesti Allah. Omong bapana: Nadjan damar oge teu daekeun hoeroeng sorangan, geus poegoeh srangenge nja kitoe deui. [ 72 ] Tégěsna dongeng ijeu: wantji beurang tembongna srange nge goeměbjar teh, nganjatakeun kaähengan djeung koedrating Allah.




90.

BENTANG NOE PANGHADENA.


Aja doewa boedak awewe djeung lalaki doeloerna, ngaranna si Katik djeung si Těmběr. Wantji sore si Katik ngomong ka si Těmběr, pokna: Těmber! tendjo eta bentang hidji tjahajana goemēbjar sarta matak tjaäng, noe aja di langit hentang sapirang-pirang, tatapi taja noe saroewa djeung eta aloesna. Si Těmběr ngawangsoel: ěnja bae těgés aloes eta mah bentang teh, tatapi teu ngoengkoelan aloesna djeung tjaängna kana bentang isoek. Parěboet běněr paäloes-aloes bentang něpi ka pasija-sija.

Ari toengtoengna tjarek bapana: Boedak garoreng doewanana, omongan anoe diparěboetkeun teh bentang diseboet doewa roepa, lamoen teu njaho, bentang noe gěbjar-gěbjar teja lamoen tembong sore, ngaranna bentang-sore, lamoen tembong isoek-isoek ngaranna bentang-isoek; bentang hidji ngaranna doewa, tembongpa di langit noeroetkeun wantji.

Hartina ijeu dongeng: reja djalma bodo, sok padoe teu poegoeh noe diparěboetkeun.



91. GELAP.

Aja hidji boedak lalaki Si Kěmis, ngadenge sora noe tjoeměloek, pokna: Kěmis, Kěmis, geuwat kadijeu! Si Kěmis gantjang bidjil tina enggonna njalindoeng, teu koengsi [ 73 ]lila tangkal dangdeur teh disamběr koe gělap. Si Kěmis bangět kagetna neuleu kai kawas djadi seuneu kabeh, tapi manehna salamět; omong si Kěmis: Sora noe njěloekan teh soegan ti langit; ěh Goesti Allah anoe maparin toeloeng ka kawoela!

Sora noe njěloekan tadi teh kalenge deui pokna: Kěmis, Kěmis, naha maneh bět teu ngadenge panjěloekan aing? Ari noe tjetjěloekan teja awewe oerang Lěmboer; si Kěmis toeloej njampeurkeun barina lemek: Rek aja naon sampejan njěloekan kawoela?Wangsoelna noe ditanja: Koela mah teu njëloekan sampejan Agoes, noe ditjěloekan koe koela anak koela ngaranna si Kěmis, tadina ngangon sowang ka tjai, panjana koela njalindoeng dina sisi tjai didinja, bawaning sijeuneun koe gělap, noe matak koela datang kadijeu nejangan anak koela, rek diadjak balik; toeh geuning anak koela bidjil tina roejoek! Ari geus kitoe si Kěmis dajeuh tjarita ka awewe oerang lemboer teh: Panjana koela sora noe njěloekan teh ti langit, mana horeng sampejan. Omong awewe teh: Agoes oelah salah tampa, sanadjan sora bidjilna ti oerang lěmboer, sarta awewe miskin noe tjara koela, sampejan koedoe soekoer ka Goesti Allah, sababna noe kagoengan kërsa teh Goesti Allah, noe mangka koela njěloekan djěněngan sampejan; ari koela mah teu pisan oeninga di djěněngan sampejan kitoe. Kěmis dajeuh ngawangsoel: Enja běněr kitoe pisan, doemadakan lantaran salamět kawoela, sampejan njěloekan seuweu, noe sangaran djeung kawoela.

Tégěsna ijeu dongeng: reja-reja djalan pitoeloeng Goesti Allah ka manoesa.




92.

TOESOEK-KONDE.


Njai raden panganten Wira Djowana rek angkat djaoeh, kaondangan koe saderekna di sedjen nagara, angkat [ 74 ]barěng djeung doewa poetrana istri, sarta nitih kareta. Poetra-poetrana maridang, wantoening rek ka noe karija, midangna nganggo běnten ěmas patah těboe, toesoek-konde angkatna dimataän intěn; angkatna njorang leuwueng gěde. Barěng soemping ka sisi leuweung, karetana njisi, asoep ka noe bala, gěloeng poetrana kakait koe tjoetjoek noe ngarojom, gěloengna oedar, toesoek-kondena ragrag, karetana dieureunkeun sarta pada laloengsoer, narejangan toesoek-konde sabadegana kabeh. Lila nejangannana, geus kitoe katimoe toesoek-konde mata intěn teh; toeloej poetrana digěloengan deui, deui toesoek-konde, meh sadjam lilana dangdan teh, poetrana sěmoe rek nangis, bawaning keuheul, rehna lila teuing; manahna sijeunneun kaporotan mangantenkeun; katjida njeuseulna ka koesir, sabab gagabah ngadjalankeun kareta.

Hanteu lila djěboel djalma toekang ngala soeloeh, loempat baroehah-harehoh, amběkannana ngarėgeh kawas noe měngi; hatoeran ka njai raden panganten pokna: Djoeragan ajeuna kalěrěsan tatjan djặngkar, moegi atos-atos, masing jatna, karana di leuweung aja begal reja pisan, geus tangtoe bakal měgat gamparan, noe matak koering loempat kadijeu, sědja ngoeningaän gamparan; pirěmpag koering madak roedjoek mah, langkoeng sae nejangan deui djalan noe sedjen bae, karana di pajoen mah kadjaga kabeh koe begal; soepami gamparan hanteu ngaranděg lila didijeu, tangtoe koering kaporotan nja ngoeninga. Njai raden panganten Wira Djowana katjida narimana, ladjěng maparin doewit ka anoe ngoeninga teh; koesir dipiwarang malikkeun deui kareta, geus kitoe njaoer ka poetrana: Njai, Goesti Allah hanteu kakoerangan ngaraksa ka abdina; oemoer maneh djeung oemoer iboe aja dina toesoek-konde noe ragrag, lamoen eta hanteu ragrag mah, siga moal boeroeng manggih pati, karana noe matak eureun, sabab ragrag toesoek-konde, tadi njai moerang[ 75 ]-mareng sabab lila eureun, ajeuna hajoe oerang soekoer ka Goesti Allah anoe geus maparin kasalamětan ka oerang.

Hartina ijeu dongeng: reja lantaran pitoeloeng Goesti Allah djeung reja balai saeutik matak moerang-mareng, tapi radjeun djadi lantaran salamět tina balai gěde.




93.

ENTJIT.

Aja toekang sapatoe doeda, boga anak awewe hidji, ngaranna nji Doenoek, nja eta noe nganjahokeun sadjěroning imah kabeh, daekan bari pintěr, tatapi karěsépna kana papakean noe araloes. Nji Doenoek meuli ěntjit beureum opat ikět, bakal dipake takwa, saikětna harga opat oewang, tapi diakoekeun ka bapana saikětna harga doewa oewang. Bawaning bapana teu njahoeun barga entjit, sarta anakna katjida keukeuhna menta, gantjang bapana merean. Nji Doenoek ngan ngabidjilkeun doewit dalapan oewang ti anoena sorangan, tina tjetjelengan, keur ngadjědjėgan pameuli entjit. Bareng geus nampanan doewit ti bapana, nji Doenoek toeloej ka patjinan, rek majar pameuli ěntjit, ari ěntjitna ditinggalkeun di amben imahna. Sabotna nji Doenoek leumpang ka Doenoek, leumpang ka patjinan, aja semah datang ka imahna nji Doenoek, nendjo ěntjit aja di amben, koe semah teh ditanjakeun hargana saikětna, wangsoel toekang sapatoe: Hargana larang, saikětna doewa oewang. Semah ngomong deui: ěntjitna sae, didoewitan bae koe kawoela saikětna tiloe oewang. Toeloej bae didjoewal, doewa wělas oewang noe opat ikět, pameulina geus ditampanan koe toekang sapatoe, semahna geus balik sarta atoheun pisan meunang entjit moerah. Teu koengsi lila datang balik uji Doenoek ka imahna. Bapana gantjang bae poepoelih, pokna: Doenoek, maneh bakal [ 76 ]boengah dibedjaän koe aing, sabot maneh leumpang, aing ngabidjilkeun bati, entjit teja didjoewal koe aing ka semah pajoe saikětna tiloe oewang, djadi saikětna maneh boga bati saoewang, beunang dipake meuli deui entjit noe lian, sarta noe leuwih hade. Nji Doenoek kaget bari pijas, sarta ngarěměd-rěměd leungeun, bari ngagaok, omongna: ěh roegi katjida! Bapana ngarti jen dibohongan koe anakna, ari geus kitoe toeloej bae nji Doenoek ngakoe barina tjeurik, jen eta entjit beunang meuli opat oewang saikětna, djadi roegi dina saikětna saoewang. Tjarek bapana: Roegi eta djadi hoekoeman bohong maneh, djalan kaloepoetan maneh sorangan kaleungitan doewit, beunang maneh maling, eta doewit anoe dalapan oewang noe dibikeun ka maneh teja, katangen tina doewit ladang entjit ti semah, sarehna maneh ngabobodo ka aing hamo mere deui doewit ka maneh pikeun meuli entjit.

Hartina ijeu dongeng: djalma tjidra djeung bohong eta moal manggih kadaradjatan doenja; koedoe těměn djeung sareh, geus tangtoe diadjenan koe djalma.



94.

EUNTEUNG .


Aja awewe, ngaranna nji Soeli, gěde amběkna sarta barangasan. Ari indoengna rěměn mamatahannana, koe hajangeun djadi sabar anakna sarta aloes sěmoena, teu noeroet bae ka pamagahan indoengna. Pareng dina hidji powe nji Soeli papasaran ngahareupan tjowet dieusi kekėmbangan warna-warna, ari doeloerna lalaki běběntoeran koe hoetoe, keuna kana tjowet, beulah. Nji Soeli bangět napsoena, matana boeboentjelikan bari dělak-dělek, beungeut bangkěroet bari beureum, datang ka djadi goreng roepana. Indoengna njokot [ 77 ]eunteung dihareupkeun kana beungeut nji Soeli; kaget nji Soeli nendjo roepana dina eunteung, napsoena leungit, toeloej tjeurik, indoengna lemek: Saäjeuna maneh geus njaho di roepa sorangan, roepa noe keur katjida napsoena, něpi ka matak goreng beungeut, lamoen maneh masih keneh sok amběk tjara kitoe, tangtoe beuki leuwih goreng bae beungeut maneh; noe roepa manis teh leungit. Ari geus kitoe karasa koe nji Soeli, sabisa-bisa ditjégah napsoena; toengtoengna amběkna djadi sareh, sarta beuki geulis patoetna; indoengna teu wěleh magahan, pokna: eulis, napsoe djeung boedi sareh, eta aja kadjadjadiannana, sapěrti panggawe goreng djeung panggawe hade, nja kitoe keneh bae.

Hartina ijeu dongeng: napsoe eta katjiri dina beungeut, matak salin roepa kamanisan, ganti kahaseuman; djalma lamoen hajang manis oelat, oelah gěde teuing amběk.




95.

ALI-ALI MATAK KAJOENGJOEN.


Aja hidji soedagar, ngaranna kijai Wiralaba; angkat dagang ka tanah Sabrang. Bawaning gětol sarta pintěr népi ka djadi soegih katjida. Kira geus rada lawas, moelih ka nagarana; bareng meuntas tina parahoe, ngareungeu jen saderek-saderekna keur soekan-soekan, dahar ngeunah, toeloej disampeurkeun kana ěnggona soekan-soekan, tapi kijai Wiralaba teu salin heula panganggo; panganggona noe dianggo oeroet panganggo di djalan bae, geus bělěwoek kabeh. Barěng dongkap kana enggon soekan-soekan teja, katingal tjaäng, damarna ratěng. Ari saderek-saderekna, sapedah kasoempingngan anoe kakara soemping ti sabrang, teu pati boengah, katendjo sakitoe geus lila teu papanggih, panganggona teu sae, ditaksir jen malarat. [ 78 ]

Kijai soedagar kagoengan badega, oerang Kodja saoerang, bawa ti Sabrang, ela Kodja katjida heranna nendjo saderek saderek djoeragandana koerang taälimna sarta koerang soekana, sěmoe dikaradjeunkeun koe sakabeh; omong Kodja ka djoeragannana: Djoeragan eta djalma goreng kabeh bae, sabab taja noe roeměsép ngabagejakeun ka sampejan, sapedah papisah lawas. Djoeragannana njaoer: ēnja darégig pisan, pada njijeun adat anjar. Toeloej njandak lelepen intěn tina pesak koetang , heg dianggo ; teu lila saderekna pada salin oelat djeung sěmoe, sarta pada njalampeurkeun ka kijai Wiralaba; aja noe njěkėl pananganpana, aja noe ngarangkoel, aja noe ngoendjoengan paheula-heula, koe hajang di pikaäsih koe kijai soedagar. Oerang Kodja teh djoeragannana bari sěmoe kaget: Koemaha eta lelepen teh, boga pangawasa, matak kajoengjoen ati djalma? Kijai Wiralaba njaoer: Lain boga pangawasa ngan dipake tanda bae ali intěn teh samangsa nu make ali tangtoe beunghar, sababna eta koe doeloer-doeloer kami kasoegihan anoe dipake agoel, dileuwihkeun tina kaoetamaan. Kodja njeboet: eh djalma noe pada pibanda, těgěsna lain anoe pantěs koe maneh diadjenan teh. Koedoe noe kagoengan ali, njatana maneh eta djadi djalma eta djadi djalma kalipoetan koe doenja, tandana aja batoe boeroeng tjara kitoe bae lain sisiwo diadjennana; djoeragan noe hade galeuhna sarta satěměnna hanteu diakoe, samemeh nganggo ali.

Hartina ijeu dongeng: eta djalma hade disěboet moerka, lamoen sono djeung papakean, lain sono djeung doeloer atawa djeung sobat.



96.

TAKWA ANJAR.


Nji mas adjčng Mandrawara kagoengan poetra istri hidji, kakasihna nji mas Raraběroek, dipangdamělkeun raksoe[ 79 ] kan takwa entjit aloes, anggoeun gěmpoengan, noe ngabědah toekang kapoet. Bareng wantji soeroep panonpowe toekang kapoet datang, nganteurkeun takwa geus anggeus dipigawena, toeloej dianggo koe nji mas Raraběroek; meudjeubna pisan taja kakirangannana. Katjida boengahna nji mas Raraběroek. Saoer iboena: ěnggeus, geura njokot doewit bae keur mere oepah ka toekang kapoet, tapi koedoe mawa tjorong, sabab geus rada powek. Nji mas Raraběroek toeloej asoep ka boemi tapi teu ngestikeun woeroek iboena, asoepna teu njandak tjorong, toeloej titadjong kana djodjodog, tisoeksroek kana gěntong minjak, raksoekan anjar lantis koe minjak; iboena njampeurkeun bari njaoer: Tah nja kitoe djalma sok moerang parentah, kitoe kadjadiannana! Isoekan rek gěmpoengan, ari maneh make badjoe geus boeroek, lamoen tatjan něpi ka oesoem lěbaran deui moal wara dipangnjieunkeun deui badjoe takwa! Ramana asoep ka boemi ngawoeroek kijeu saoerna: Djalma goreng rěsép loemakoe di noe powek, njingkahan anoe tjaäng, wawawoehan djeung noe bodo, nganggangan ka noe pintěr, eta tangtoe bakal njaho di kaboektiannana. Hartina dongeng ijeu: boedak bangor, noe tara ngagoegoe ka papatah kolot, kadjadiannana mangke kårasa koe manehna, geus boekti manggih tiwas atawa kawirangan.

Hartina dogeng ijeu: boedak bangor, noe tara ngagoegoe ka papatah kolot, kadjadianna mangke karasa koe manehna, geus boekti manggih tiwas atawa kawirangan.


97.

DJAS.


Keur mangsa aja pěrang gěde loba sěrdadoe arasoep ka pilemboeran, marentah ditoedoehkeun djalan. Dina eta lēmboer aja hidji somah miskin, dititah noedoehkeun djalan. Keur waktoe harita pareng tiris katjida, sarta anginna ngagělěboeg, noe miskin teh ngindjeum djas noe kanděl [ 80 ]

80

ka oerang lemboer didinja, tatapi teu aja noe mere ngindjeumkeun, ngan aja hidji djalma asalna djalan boenijaga, djalma kakaboeran pěrang, tjitjing di lěmboer eta, mandaj, ngan eta noe wělaseun ka ki miskin, ngindjeumkeun sahidji djas geus boeroek. Sěrdadoe tdeloej leumpang. Ari ti peutingna aja oepsir hidji tjalik ka lěmboer eta, panganggona sarwa hoeroeng-herang, sarta nganggo bintang, moendoet ditoedoehkeun kana imahna noe ngindjeumkeun djas teja ka noe miskin noe noedoehkeun djalan teja. Barěng datang ka imahna ki pandaj, ki pandaj nendjo oepsir toeloej ngagowak pokna: Adoeh anak aing! bari dirangkoel digalekan. Oepsir teh nja eta anak pandaj , asalna asoep djadi sěrdadoe, lawas-lawas bawaning leuwih akalna djeung hade gawena, sarta kěnděl wawanenna, něpi ka dipangkatkeun oepsir; ari bapana tadina djadi pandaj di lěmboer gěde, tapi anakna geus teu njahoeun di bedja-bedja atjan, ngan teu pangling nendjo kana djas geus boeroek, noe dipake koe noe miskin teja, djeung ngadenge tjaritaän eta noe miskin, jen bapana měr-nah di lemboer eta. Bapa djeung anak pada tjareurik, toengtoengna djadi leuwih boengahna.

Batoer-batoerna noe aja didinja pada tjipanonan. Oepsir teh mondok sapeuting di imah bapana, ngomong blas datang ka beurang, ari rek mangkat ninggalan doewit ka bapana, bari njanggoepan, jen bakal ngagadjih.

Djalma noe aja di lěmboer eta pada ngomong kijeu : „ eta pandaj asalna boga kawělasan, noe matak diwělasan koe Goesti Allah, dipapanggihkeun djeung anakna, noe bakal njait tina kamalaratannana.”

Hartina ijeu dongeng: saha-saha noe rěsép noeloengan anoe kasoesahan, tangtoe aja wawalěsna, pitoeloeng Goesti Allah.


[ 81 ]

98.

TAROEMPAH.

Aja noe miskin, ngaranna bapa Wěntah, gawena ngangon ěmbe. Ari kamiskinannana datang ka teu koewat meuli taroempah koelit atah, soekoena běbělakeun. Dina hidji powe bapa Wěntah kadatangan semah saoerang, asal djalma geus rěměn asoep ka berok, lantaran sok maling, ngomong kijeu: Kaoentoengan kami mah loba pisan, maneh bapa Wěntah oerang sagawe bae djeung kami, ari daek mangke dipangmeulikeun taroempah weuteuh, njorang noe djeblog atawa batoe noe rotjop moal njeri soekoe maneh. Wangsoelnna bapa Wéntah: eta teu pati dipikir koe kami, teu make taroempah oge loeloes bae, masih loba kaoentoengan ge, ari tina lakoe teu běněr, matak teu hade, měnding bělokan soekoe, manan ati régěd koe doraka mah!

Hartina dongeng ijeu: měnding saeutik kaoentoengan, noe sarta djalan běněr; gěde oge kaoentoengan, ari tina djalan salah, tangtoe tereh tjilaka.


99.

PAKOE.

Pandaj ngaranna kijai Pangajah, gětol digawe, datang-datang ka soeroep matapowe teu ngarasakeun hese tjape. Ari batoerna sapakarangan djalma soegih, boga anak lalaki, ngaran ki Sadana, oenggal powe gětol ngandjang ka kijai pandaj, nendjokeun anoe keur digawe. Dina hidji powe ki pandaj ngomong ka ki Sadana: Agoes panganggoeran bae sampejan soegan kērsa diadjar njijeun pakoe, oepama sampejan geus jasa, eta pakoe aja pidaměleunnana. Ki Sadana noeroet; toeloej bae njanghareupan tahanan, diadjar njijeun pakoe, lawas-lawas bisa. Bareng geus lawas, ki Sadana kataradjang miskin, [ 82 ]tina sabab roesoeh aja pěrang, toeloej leumpang kaloenta-loenta, tjitjing di lěmboer sedjen, djaoeh lalakonna ti nagarana, Dina lěmboer eta pakoe loba kapakena, samangsa keur aja gawena eta pakoe, oerang dinja mareuli ka nagara sedjen. Ki Sadana ingět kana kabisana njijeun pakoe, toeloej nawarkeun gawena ka oerang lěmboer didinja, jen sanggoep njijeun pakoe; geuwat dipangnjijeunkeun gosali, rěmpoeg salėmboer didinja, pada soeka ka noe bisa njijeun pakoe. Ki Sadana geus děk neupa, loba kaoentoengannana; ki Sadana ngomong sorangan: beh namah djalma hiroep eta nja koedoe boga kabisa teh, kami kabisa teh ngan njijeun pakoe, teu boeroeng makajakeun ka awak sorangan, kami ngoengkoelan di djaman tadi; kabisa kami ajeuna oepama aja noe rek meuli tiloe rewoe roepija, moal ditjoelkeun; banda kami pirang-pirang rejana teu beunang dibawa-bawa, lain tjara kabisa, di mana tjitjing aja gawena.

Hartina ijeu dongeng: pangabisa eta masih saeutik, lamoen dipake těměn, bisa mawa kaoentoengan gěde; djeung deui djalma tara ridoe koe pangabisa.



100. KANTEH.

Aja landjang ngaranua nji Saminah, sangkir ngeujeuk, gawena nganteh, geus meunang opat lima toekěl noe ditjitoewaran. Aja saoerang landjang tatanggana, ngaran nji Bogěm, sok rěměn ngabantoean digawe molah kanteh ka nji Saminah. Geus kitoe nji Saminah leungiteun kanteh doewa toekěl, noeding ka nji Bogěm, jen maling kanteh teh; toeloej diparěng ka imah, omong nji Saminah: Bogěm maneh noe maling kanteh kami teh, kadijeukeun rek ditjangkoedoean. Nji Bogěm teu ngakoe, sarta soempah noedoehkeun kaběrsihannana; nji Saminah keukeuh pangnoedingna, [ 83 ]pokna: Taja deui noe pimalingeun kadjaba maneh, noe sok rěměn poelanganting ngabantoean digawe. Sakabeh oerang lěmboer pada neueul ka nji Bogěm bae, tapi teu beunang didjijeun prakara, sabab taja boektina.

Lila-lila nji Saminah njaba ka pasar barang beuli, di pasar manggih aja djalma awewe ditalian, dosana njěbrot samping, dagangan ti pasar, nji Saminah neuleu kantehna noe dipaling teja aja didinja.

Ana dipriksa koe djaksa, trang ngakoe jen eta kanteh beunang njajab ti boeroean nji Saminah. Geus kitoe nji Saminah roemasa jen salah noedingna ka nji Bogěm, bari tjeurik pokna: Bogěm, salah katjida paněrka kami ka maneh, ajeuna kapanggih noe maling kanteh teh, malah geus ditalian dibawa ka dajeuh.

Nja běněr tjek paribasa: sanadjan ditoeding maling, ari běrsih mah, tangtoe kaboekti kaběrsihannana.



101.

RANTE.

Aja hidji boedak lalaki, ngaranna si Sěmplo, katjida tjoelikana, ngan sirikna tara maling, énja tara maling teja mah, tapi ari boga titimoean, sanadjan njaho oge di noe boga, eta noe katimoe koe manehna, toeloej dipibanda bae. Wantji isoek si Sěmplo ngaliwat kaboeroeannana ki pandaj, manggih rante beusi ngagoler di boeroean eta, si Sěmplo tjoengak-tjingeuk ngalijeukan djalma, bisi aja noe neuleukeun; barěng dilijeukan taja djalma, rante gantjang ditjokot, tapi dilesotkeun deui, sarta ngagowak katjida, ari eta rante satěgěsna panas keneh, noe matak diteundeun di boeroean, ngarab tereh tiis; si Sěmplo leungeunna geheng; pandajna bidjil, sabab ngadenge [ 84 ]noe ngagowak, omong pandaj teh: tah leungeun maneh, noe sok tjoelika teh, ajeuna geheng, nja eta gandjarannana pagawean maneh, ngarah oelah koengsi maneh manggih balai noe leuwih gěde.

Hartina ijeu dongeng: djadi pangeling-ngeling, njingkirkeun tjilaka anoe digělarkeun koe panggawe masiat, sapěrti noe njabak beusi beureum.


102.

TALI.

Aja boedak doewa di djalan parěboet tali pandjang, tali timoe; parěboet rame pisan datang ka pasiasia, sarta silih dontja, pareboet tali hidji, pada njěkělan tjongo tali sapotong sewang, bareng pada narik, tali teh pěgat, boedakna pada laboeh doewanana kana taneuh djěblog. Aja noe nga liwat lemek ka boedak teh: Tah nja kitoe kaoentoengannana djalma sok daekan padoe, noe dipadoekeun barang leutik, naon hasilna? Taja ngan kasorang koe hina bae djeung wirang noe poegoeh mah, sapérti maneh ajeuna boedak doewa, awak maneh tjiproek sarta bělokan.

Hartina ijeu dongeng: mangka manis oelat, singkahan papadoean, soepaja oelah koengsi dihina sarta diwiwirang.


103.

ANGEUN LADA.

Boedak awewe ngaranna nji Kěpik, wantji ti beurang dadaharan djeung indoengna, ngomong ka indoengna: ěma, angeun lada teh hantjer, koela mah teu beuki. Tjek indoengna: Ajeuna geura pitjeun bae, ngadadak ngangeun deui teu bisa, mangka bae dipanggodogkeun deui, diboengboean [ 85 ]mangka ngeunah. Sanggeus pada dadaharan, anakna noe awewe diadjak ka tegal ngali hoewi djeung ngala katjang, něpi ka soeroep panon powe, moepoena katjang djeung hoewi meunang loba, pada diwadahan koe said; ari geus soeroep, baralik, toeloej pada dadaharan deui, angeun lada noe diseboet hantjer teja ditjitjikeun kana wadah sedjen, nji Kěpik ngasaan angeun, omongna: Lah ijeu ngeunah, sedjen djeung noe dihakan koe koela basa ti beurang teja. Toeloej sarěgěp dadaharannana, indoengna lemek bari seuri: eulis, angeun lada noe dipojok hantjer teja, basa njatoe ti beurang, nja eta; noe matak djadi ngeunah, sabab maneh měntas digawe, ngali hoewi djeung moepoe katjang di těgal.

Hartina ijeu dongeng: noe daek njabak gawe, lamoen dadaharan sagala ge ngeunah didahar, sabab ponjo.


104.

TJI-SOESOE.

Aja hidji boedak awewe anak anoe soegih, ngaranna si Samsi, oelina njaba ka pilěmboeran, euereun dina imah sewa, meuli tjisoesoe satoewoeng djeung roti, dijoek dina handapeun djoekoet handapeun kai noe ijoeh, rotina ditjiwitan diaboeskeun kana tjisoesoe, sarěgěp dadaharannana. Aja boedak lalaki miskin nangtoeng deukeut ka noe dadaharan roti, ngaranna si Gopla, bawaning kakoerangan hakan datang ka koeroe, haropak, njeueung nji Samsi dadaharan roti, kabitaeun pisan. Ari rek menta, sijeun teu dibere; nji Samsi eukeurna dadaharan roti, geus boga pikir hade, rek mere ka djalma miskin, tatapi teu prak dilakonan, tonggoj ngeunah-ngeunah dadaharan bae; barěng tjisoesoe djeung roti bejak, di djěro toewoeng tembong aja toelisna, oenina matak kaget, katjida ngera-ngerana. Toeloej meuli deui tjisoesoe djeung [ 86 ]roti, si Gopla ditjěloekan, sarta dilamisan soepaja daekeun, sarta diaboeskeun roti kana toewoeng tjisoesoe, didadaharan koe si Gopla. Ari geus bejak toeloej dibere doewit, omong si Samsi: Ijeu toelis noe aja di toewoeng hade lamoen aja dina piring noe saroegih-soegih, oenina kijeu; saha noe teu welas ka noe miskin, moal toeloej meunang berkat goesti Allah.


105.

TJAI DJEUNG ROTI.

O esoem patjéklik katjida aja boedak lalaki miskin, oerang ka pagoenoengan, ngaran si Konta, běrmaen kedjo sakeupeul noe soegih-soegih ka kentja-katoehoeeun lěmboerna. Sadjroning lěmboer eta aja anak noe soegih, ngaranna si Kasim, keur dadaharan dihareupeun lawangna, didjadjaloekan koe si Konta, pokna: Kawoela njoehoenkeun satjiwit bae. Ki Kasim lěngoes, omongna: Wah geura ngaliwat, aing moal mere ka maneh! Antara sataoen ki Kasim leumpang ka pigoenoengan, nejangan ěmbena, asroek -asroekan, mangsa harita menggret pisan panasna panon powe, ki Kasim halabhab katjida, něpi ka toehoereun, tatapi teu manggih pantjoeran, toengtoengna nendjo si Konta keur ngangon ěmbe, dijoek dina handapeun kai ijoeh, ngagigirkeun kěndi. Ki Kasim njampeurkeun si Konta, omong ki Kasim: Kami menta tjai sarěgot bae. Tembal si Konta: Wah geura ngaliwat kaditoe, kami moal rek mere ka maneh! Ki Kasim seug tjeurik, sarta narima kasalahannana bareto, toeloej menta pangampoera; si Konta gantjang mere tjai dina kěndi, omong si Konta: Kawoela teu boga ali goreng , sak ka pada kaoela, ngawangsoel soteh songong ka sampean, soepaja sampean bae geura ngakoe toemarima jen kaloeloepoetan; ari [ 87 ]eta tjai soemangga koe sampean geura leueut, sarta kapajoenna moega -moega sampean oelah rek lali kana paribasa ijeu: saha-saha noe lěngoes ka sasama hiroep, tangtoe dibalės lěngoes deui.


106.

ENDOG AHENG.

Kijai Děmang Wira nagara soemping ka sedjen lěmboer, koelěm dina pondok sewa, moendoet toewang sangoe, angeun djeung ěndog. Barěng geus tjoemawis, ěndog hidji dibeulah, di djero aja koekoelar hideung, ěndog sedjen nja kitoe deui. Djělěma di lěmboer eta kabeh sakoer noe nendjo ěndog, pada heran katjida, sarta pada ngomong: Nja aheng eta endog teh!

Kijai Děmang goemoedjěng bae ngadangoe noe mitjatoer ěndog, toeloej mariksa ka noe ngahatoeranan soegoeh; ijeu ěndog beunang meuli ti saha? Hatoerna noe dipariksa: Beunang koering meuli ti anak toekang sapoe ngaran poen Kandoeng. Toeloej si Kandoeng dirawatan, ari geus datang si Kandoeng toeloej dipariksa, saoer kijai Děmang: Maneh sok maling endog teh, karana ijeu geus kaboektian, ari ěndog anoe aing mah moal boeroeng kadongdon, masih dipaling oge, sabab aja tjirina, koekoelar hideung, eta aing noe boga akal kitoe, sabatoer aing mah ěndogna geus ditiroekan koe djaroem bae kabeh. Toeloej si Kandoeng ditangkép diserenkeun ka paboewen.

Hartina: sapintěrna oge maling, hamo hoeroeng katitik tina leuleutikan.


[ 88 ]

107.

OPOR MERI.

Aja hidji boedak ngaran si Landoeng, soeka boengah, sarta oewar-oewar ka doeloer-doeloerna awewe lalaki, pokna: Powe isoek rijoengan, indoeng ngopor měri, mangke sore bakal njatoe-njatoe ngeunah djeung opor. Barěng geus oesoemna dahar, eta boedak-boedak djeung doeloer-doeloerna kabeh ngarijoeng, geus teu sabar ngadagoan asakna opor. Noe keur masak lemek ka boedak-boedak ngarijoeng teh: Agoes mangka sabar, satengah djam deui oge asak opor teh! Baroedak teh bawaning teu salabar, pada tjareurik. Eta noe keur masak boga akal, ngarah repeh noe tjareurik, ngomong: oelah narangis, di loewar eta aja ririwa, lamoen ngadenge boedak tjeurik, toeloej ditjokot. Eta boedak-boedak noe keur tjareurik hanteu sijeuneun beuki bědas ngagowakna, ngadéngek-děngek, menta opor. Noe keur manggang opor, didjait panggangna, diasongkeun ka panto barina lemek: He gandarwo ijeu tjokot opor! Mangsa harita pareng aja djoeroe-djana di loewareun panto, ngaděděmpes, sědjana rek maling, nendjo opor diatjoengkeun, toeloej ditampanan bari ngomong: Noehoen! Opor ditewak dibawa loempat.

Boedak-boedak ejar patingdarěngek; indoengna datang; barěng njahoeun jen oporna leungit dibawa koe djroedjana, indoengna lemek, pokna: Baroedak, maraneh ajeuna manggih hoekoeman, djalan tina basangkal maneh, peuting ijeu maneh bakal hamo njatoe opor, koedoe njaratoe kedjo woengkoel bae. Toeloej amboe Landoeng mapatahan ka eusi imahna: kami geus rěměn pisan lemek ka maneh, tjarek kami oge oelah sok njingsijeunan boedak, sarehna akal maneh teu hade, matak leungit opor, djadi katěmpoehan, bajaran maneh bakal ditjangkolong sarega opor, [ 89 ]Hartina ijeu dongeng: boedak basangkal hanteu sabar, rěměn manggih kasoesahan, boedak sabar rěměn manggih kangeunahan.


108.

KITAB PIWOEROEK.

Aja istri randa bangsa menak, boemina di pilěmboeran, djaoehna ti nagara lalakon sadjam. Kalakoeannana samemeh sare ngaos kitab heula; kitoe loewangna oenggal-oenggal peuting. Ari sahidji mangsa, ti peuting samemeh sare, ngaos kitab, reja eusina woeroek-woeroek djeung dowa-dowa; bareng rek sare, eta kitab diteundeun dina medja leutik, tapi hanteu dilingkoepkeun. Hanteu lila goeroedoeg aja kareta ti nagara, mapagkeun, reh saderekna di dajeuh hanteu damang walės; toeloej menak istri djêngkar nitih kareta, njandak hidji panakawan awewe, hidji lalaki.

Kitab tinggal moeka bae dina loehoer medja, noe toenggoe boemi ngan aja hidji nini-nini geus pikoen. Sadjěngkarna istri randa, aja djoeroedjana rek maling, sabab njahoeun jen boemi kosong, djoeroedjana asoep tina djandela, naekna make taradje, asoep ka pasarean, sakama-kama ngoengkalan barang-barang, milih noe gěde hargana; djoeroedjana ngadeuleu aja kitab moeka dina loehoer medja leutik, katjaängan koe damar lilin, toeloej dibatja koe ki djoeroedjana, oenina:

„He eling-eling: saha-saha noe roemasa bakal manggih pati, „koedoe oelah ngalampahkeun kagorengan, djeung saha-saha „noe hajang tiis pikir, oelah pisan nijat maling, awal ahir „tangtoe kapanggih; hanteu kapanggih di doenja, di aherat tangtoe kapanggih bae.”

Oeni-oenian kitoe teh djadi ngahadekeun kana ati noe rek maling, djadi teu toeloes barang-tjokotna, toeloej bidjil [ 90 ]kaloewar teu barang-bawa. Ti watěs harita eta djělěma teu daek maling-maling deui. Barěngna rek paeh, lalampahannana baheula diwangsitkeun ka anak-anakna, bari di titah ngabakti ka goesti Allah.




109.

NOE NJALIN ADAT.


Agoes Koesen bapana beunghar, djadi sakarěp-karěpna ki Koesen ditoeroetkeun bae. Tina bawaning katjida pangalēmna, datang ka matak ngaloendjak, ogoan. Tapi ki Koesen keur boedak keneh, kaboeroe bapana maot, djadi ki Koesen sanggeus jatim, tjitjing di pamanna, doeloer indoengna, aja di pilěmboeran matoehna. Ari tadina sok dahar ngeunah, ajeuna mah dahar saloembrahna bae, ari di dajeuh oenggal-oenggal peuting reja noe soekan-soekan, ari di pilěmboeran sore-sore geus salasarean, hoedangna isoek-isoek. Ki Koesen keur anjar mah ngaroemas katjida koe panata oerang lěmboer. Bareng geus lawas mah njaho kana noe pimatakeun djadi kahadean, tadina ki Koesen gěringan, oelatna pijas djeung rěměn tatamba, barěng geus djeung pamanna, tjagěr sarta rosa; noe matak rěměn ngomong kijeu: Běněr paman ngangaranan tiloe pěrkara noe matak djadi kahadean hiroep, nja eta daek digawe, těměn-wěkěl, kira-kira djeung prajoga.




110.

PANON-POWE.

Hidji powe mangsa ngidjih, aja boedak awewe, ngaran nji Misah, ngomong pokna: Panon powe teh naha moen tembong, soepaja tjaäng oelah haleumheum teuing, panědana [ 91 ]nji Misah kaparéng laksana, něpi ka lawas teu hoedjan-hoedjan, panas bangět pisan, matak roeksak pěpělakan, di sawah di těgal, malah pěpělakan nji Misah, kěkěmbangan aloem kabeh.

Indoengna lemek: Misah ajeuna kanjaho maneh geus tetela, jen hoedjan jeung panas eta saroewa perloena. Moenggoeh manoesa nja kitoe keneh, lamoen manggih kasěnangan bae, teu pisan manggih kasoesah, sok teu hade toengtoengna, sabab oemat eta hade kasorang koe sangsara djeung koe balai, soepaja djadi kaslamětan.

Hartina ijeu dongeng: kérsaning Allah noeroenkeun hoedjan, ngajakeun panas bangět, ngagandjar salamět atawa ngagandjar balai, eta kabeh leuwih hade, teu beunang ditjawad koe manoesa.




111. PANTJOERAN.


Oesoem panas bangět, boedak lalaki ngaranna si Pahing leumpang ka sawah, beungeutna beureum kapanasan, bawaning halabhab, letahna datang ka rapět kana lalangit. Toeloej manggih pantjoeran di handapeun tangkal gajam, tjaina leuwih herang; si Pahing gantjang nginoem. Bawaning tïïs tjai sarta karejaän teuing nginoemna, něpi ka kapaehan. Ari datang ka imahna, toeloej bae gěring moeriang; omongna: Saha noe njana jen pantjoeran tjaina herang, tapi di eusi baroewang? Bapana lemek: Pahing djalan maneh gěring teh lain tina tjai pantjoeran, tégěsna tina koerang akal djeung koerang doega-doega maneh bae.

Hartina ijeu dongeng: roepa noe matak kabita, ela reja noe matak ngaleungitkeun kira-kira, těmahna djadi tjilaka.



[ 92 ]

112.

HOEWI BOLED.

Aja djělěma miskin oerang lěmboer, di kěbonna mělak hoewi; bareng dikali, manggih hoewi leuwih gěde sahidji, matak kaget anoe reja, omong oerang lěmboer teh: Ijeu hoewi oerang hatoerkeun ka djoeragan Děmang bae, mowande boengaheun, karana kijai Děmang tangtoe boengaheun ningali rahajatna gětol, oerang meureun dilahirkeun djělěma daekan makaja, njawah, ngěbon.

Toeloej hoewi teh dibaktikeun ka kijai Děmang, kijai Demang atoheun sarta noe bakti hoewi teh dipoedji daekan makaja, sarta dilahirkeun hade atina, dipaparin doewit saroepija.

Di lěmboer eta aja noe soegih, tatapi katjida pisan tjěrědikna, ngadenge bedja jen oerang lemboer aja noe bakti hoewi sahidji ka kijai Děmang, dipoelang doewit saroepija; tjek noe soegih teh: Ari kitoe mah, kami oge rek ngabakti hidji anak sapi noe aloes, noe seba hoewi hidji dileler doewit saroepija, kami mah komo, meureun tampa gěde katjida, sabab ngabaktian anak sapi aloes. Toeloej anak sapi teh disanggakeun ka kijai Děmang, tatapi kijai Děmang teu samar, sababna noe matak bakti, eta djělěma tjětjěl tjěrědik ngadak-ngadak ngawawoehkeun maneh, hajang loma djeung kami, tangtoe aja pangarahna.

Kijai Děmang teu kérsaeun dibaktian sapi, noe soegih teh ngaděsėk-děsek koe hajangeun katampa pangbaktina, kijai Děmang ngawangsoel ka noe bakti sapi teh, saoer kijai Děmang: Ari keukeuh mah hajang ditampa koe aing, seg ditampa koe aing, sapedah maneh hajang loma ka kami, kami nja kitoe deui bakal loma djeung maneh, ajeuna maneh rek digandjar, gěde manan harga sapi teja gandjaran ti kami, kira tikěl tiloe lobana harga gandjaran. Barěng [ 93 ]geus njaoer kitoe, kijai Děmang toeloej masihkeun hoewi noe gěde teja sahidji, itoengan noe kasěboet gandjaran. Noe soegih teh kaget sarta handjakaleun katjida, teu njana kitoe pamoelangna.

Hartina ijeu dongeng: djělěma noe hade atina moal kosong manggih gandjaran, djělěma gěde teuing pangarah, soepaja oentoeng maneh bae, loewangna sok manggih roegi sarta era.




113.

KOBIS.

Aja toekang bas doewa, ngaranna Dora djeung Sěmbada, reudjeung leumpangna, ngaliwat kěbon sajoeran. Sěmbada ngomong, pokna: Kang Dora tjoba tendjo itoe kobis, nja montok nja aloes. Si Dora hajangeun kobis teh, barina lemek: Eta kobis tjarek kaoela mah tatjan kaseboet gěde, waktoe koela leumpang kamari ijeu, manggih kobis hidji, gědena ngoengkoelan eta imah leutik, anoe nangtoeng tengah kěbon.

Tjarek ki Sěmbada: Omongan matak heran katjida, aja kobis sagěde imah; tapi koela oge kamari ngabantoean anoe njieun kantjah panggodogan, gědena sagěde masigit. Si Dora nanjakeun kantjah sagěde masigit paranti naon? Ki Sěmbada ngawangsoel: Paranti ngagodog kobis, noe koe maneh diomongkeun sagěde imah teja. Si Dora ngomongna sěmoe era, pokna: Ajeuna koela geus ngarti pigaleuheun. Ki Sěmbada, sasarina ari ngomong sok sаěnjana bae, behna mah njaritakeun aja kantjah sagěde masigit teh, heureuj bae, bari ngawéwěleh ka koela, koela ajeuna geus tampa pamalės rahoel: »samborong tjek paribasa, „saha-saha noe teu boga kaera, geura ngalakoekeun bohong, ari hasilna dipikageuleuh koe djělěma djeung diseungseurikeun„ koela ajeuna kapok.



[ 94 ]

114.

PEPENDEMAN.

Aja doewa "djělěma oerang pilěmboeran, ngadeuheus kahoekoem, njoehoenkeun běběněran adil, tjatoerna noe hidji: Poerwana koering ngadeuheus , meuli pakarangan ti ijeu tatangga koering , bareng diotjek taneuhna, manggih pěpěnděman, asa tatjan kenging dipiboga koe koering,sabab akadna meuli soteh koering mah taneuh djeung pěpělakan bae.

Hatoerannana tatanggana: Nadjan koering teu ngadjoeal pěpěnděman, sabab lain anoe koering , ngadjoeal soteh kěbon bae, sarta teu roemasa ngaroewang babandaän miboga eta teh, noe mawi tětěp hanteu gadoeh milik miboga eta pěděnpěman.

Saoer hoekoem pangadilan: Kijeu hoekoemannana, maneh bebesanan bae, noe ngadjoeal kěbon djeung noe meuli, eta pěděnpěman bahankeun ka anak maneh doewanana. Doewanana geus soemoehoen ka timbalan hoekoem, toeloej pada balik, rek ngalampahkeun satimbalan hoekoem, sarta pada boengah-boengah deewanana.

Ati běrsih eta taja tjatjadna sarta matak meunang noe. graha di sawarga.

Ijeu panganggeusan dongeng noe di loehoer teja: Kala mangsa moeloes běběněran teja, keur aja oerang nagara sedjen, pareng aja di paseban, katjida heranna ngadangoekeun tjatoerna djělěma doewa, omongna: Tjoba lamoen di nagara kawoela mah, lain kitoe piběněreunnana, sedjen katjida tětěrapna: noe meuli moal ingět pisan nembongkeun pěpěnděmannana teh, malah noe nimoe teh katjida njoempoetkeunnana, soepama teu disidėmkeun, tangtoe noe ngadjoeal teh ngagoegat ka noe meuli iemah, soepaja pěpěnděman kamilikkeun ka manehna, tapi waragadna prakara leuwih tina rěga pěpěnděman teja, ditjokot oesoer djeung sedjen waragad-waragad. [ 95 ]Menak noe njěpěng běběněran ngareungeu omong semah ti sedjen nagara, toeloej mariksa ka noe ngomong teh, saoerna: Di nagara maneh koemaha aja srěngenge? Wangsoelannana: Soemoehoen aja. Menak noe njěpěng adil mariksa deui: Di nagara maneh hoedjan? Soemoehoen aja. Menak noe njëpěng adil teh, ngalahir: Nja aheng, di nagara maneh aja ěmbe djeung sapi? Wangsoelannana: Soemoehoen aja. Toeloej njaoer deui menak teh: Noe dipaparin koe Goesti Allah, tjahja srčngenge djeung hoedjan teh, lain maparin ka manoesa di nagara maneh mah, nja eta maparin ka hewan, ana kitoe mah, djalmana teu meunang dipasihan kabeh oge.

Hartina ijeu dongeng: nagara noe kaleungitan koe ka oetamaän djeung běněr, sapapandjangna moal manggih kasalamětan djeung kaběrkatan, samangsa menakna hanteu adil, tangtoe roentang-ranting dajeuhna.

115.

PAKARANGAN.

Aja hidji djalma boga anak tiloe , barěng enggeus deukeut kana maot, lemek ka anak -anakna, pokna: Agoes, lamoen bapa geus něpi ka adjal, teu aja pisan titinggal keur maraneh, ngan ijeu saoeng katoet pakarangannana; tapi sadjro pakarangan ijeu aja pěpěnděman radja brana; kali mangka gěmět soepaja kapanggih. Barěng bapana geus maot, eta anakna tiloeannana gětol matjoel dikěbon, ditoegaran salégana pakarangan, tapi teu manggih ali-ali atjan, taja ēmas taja perak.

Sanggeusna dipaljoel djeung dikali, tatangkalannaua marontok kabeh sarta boeahna laleubeut meul peuj, ngoengkoelan samemeh dipatjoelan, sapoeloeh kali nikěl. Boedak noe tiloe ingět kana omong bapana bareto, behna mah noe dibasaän radja brana teh katjoekoelan, pěpělakan kabeh djadi radjabrana, [ 96 ]Hartina ijeu dongeng: loembrahna djalma daekannana koedoe dibibitaän koe radja brana, geus tetela pĕpĕlakan teh hadena koedoe diome taneuhna, oelah bala, lamoen teuas taneuhna, koedoe diome diboelak-balik.


116.

MANOEK.

Aja hidji lĕmboer, pakarangannana dikoebĕng koe pagĕr. Keur mangsana tatangkalannana oesoem kĕmbangan, seungitna kĕmbang kaãmbeu kaloewar, sarta reja manoek warna-warna noe njeuseupan kĕmbang salĕganing pakarangan eta. Keur oesoem boewahan boewah kaweni, ramboetan, doekoeh, sagala boeboewahan leubeut datang ka gemplek. Barěng boedak pilěmboeran sok daek ngala manoek, disoempitan djeung diala sajangna, lawas-lawas beuki tjarang manoekna, toengtoengna boedal kabeh manoekna, sijeunneun disoempitan, taja hidji-hidji atjan di pakarangan eta, datang ka geus teu kadenge sora-sorana atjan. Sanggeusing kitoe hileud mĕtjah, napoek di oenggal tatangkalan, datang ka reja no paeh tangkalna, noe hiroep hanteu daekeun boewahan, daoenna rigil dihakan hileud; ari keur loba manoek di dinja taja hileud, sabah bejak dihakanan koe manoek.

Hartina dongeng ijeu: oelah gantjang noempoerkeun sato-sato, noe dikira djadi hama, bisi djadi tambah hama noe leuwih goreng ti batan eta; koedoe pikir heula pitěmaheunana. Tjara eta tjaladi djeung beker, geus tetela ngahakanan hileud di sawah sĕrta hileud tatangkalan, lamoen diroeksak eta manoek, sasat ngaroeksak diri pribadi.