Wawacan Jaka Mursada

Ti Wikipabukon
[ 1 ]

RARATAN NASKAH JEUNG WARUGA NASKAH

A. RARATAN NASKAH

1. Judul naskah : Jaka Mursada
2. Panulis : Eyang Irpan
3. Nu boga naskah : Rasmita (65 taun)
4. Asal-usul naskah : - warisan

- ti Aki Nurkiah
- Alamat : Ds. Pawenang RT 02/05 Wado Sumedang
- Dipasihkeun ping 15 April 2000 ka Sariwulan

B. WARUGA NASKAH

1. Ukuran Naskah : 21 X 16cm
2. Ruang tulis : 16,5 X 12cm
3. Kaayaan naskah : Lapuk sawaréh
4. Jumlah kaca : 373 kaca
5. Jumlah jajaran : 11 baris
6. Basa (nu dipaké) : Basa Sunda
7. Aksara : Arab Pegon
8. Ukuran aksara : Galedé
9. Wangun aksara : Buleud
10. Tapak kalam : Kandel ipis / mintul seukeut
11. Warna mangsi : Hideung (tanda baca jeung aksara),
Gandola (tanda ganti jeung padalisan)
12. Warna kertas : Kuleuheu
13. Jenis kertas : Kertas buku bergaris / lécés
14. Kaayaan tulisan : Jelas jeung ka baca
15. Cap kertas : Lécés
16. Wangun karangan : Puisi Ugeran
[ 2 ]Bismillaahirrohmaanirrohiim

I. Pupuh Asmarandana


  1. Sim kuring mimiti muji
    Ka Gusti Allah Taala
    Nu murah di dunya kabéh
    Serta asih di akhérat
    Anu muji henteu pegat
    Ngaganjar sakabéh mahluk
    Ngampura sakabéh dosa


  2. Sanggeus muji ka Yang Widi
    Muji ka Nabi Muhammad
    Kalawan warga sakalih
    Jeung ka sobat nu opat
    Abu Bakar Umar Usman
    Ali Rodiallohu’anhum
    Para sohabat sadaya


  3. Sikuring tatkala nulis
    Robi’ul ahir bulana
    Tanggal opat welas yaktos
    Tahun Jé anu kaétang
    Kangjeng Nabi Rosullullah
    Hijrah sarébu tilu ratus
    Lima puluh tujuh punjulna


  4. Kuring diajar ngadangding
    Réh nguping carios dalang
    Bubuhan getol lalajo
    Ngan aya nu carita
[ 3 ]

    Dalang wayang ti Mitarama
    Nya éta nu boga catur
    Ku jisim kuring dikarang

  1. Anu kawilét digurit
    Lalakon Jaka Mursada
    Raja Erum nu kocap téh
    Jenengan sang Raja Yuta
    Raja meujeuhna nonoman
    Yuswa opat puluh tahun
    Raja Rum waktu jenengan


  2. Patihna Radén Cangkilling
    Sarta patih gagah rongkah
    Paadatannana goréng
    Mun metakeun padamelan
    Keras geretek ngagentak
    Molotot ngareuhak nyiduh
    Patih sok kitu ngadatna


  3. Teu inggis murilitkeun ceuli
    Harakna tur barangasan
    Kawantu patih gegedén
    Padérékan kanjeng raja
    Henteu aya kagilana
    Ari kanjeng raja Erum
    Ngamanah badé pawarang
[ 4 ]

  1. Kagungan pawarang hiji
    Andaya Sasih namana
    Waktu harita geus bobot
    Dikira geus genep bulan
    Keur bobot misah bumina
    Raja dilebet nu matuh
    Andaya Sasih di lubur


  2. Asalna Andaya Sasih
    Ti Majési putra raja
    Keur waktu carogéan téh
    Dipaparin ku ramana
    Badéga lalaki dua
    Nu bakal béla tumutur
    Ngarana Ki Ardanaya


  3. Ari anu hiji deui
    Ki Naya Génggong ngarana
    Ngan sakitu nu béla téh
    Teu pisah ti gerwa raja
    Siang wengi ngaladénan
    Ari dina malem saptu
    Gerwa raja sasaréan


  4. Eukeur kulem putri ngimpi
    Lalayaran di Sagara
    Tapi kalem parahu téh
    Sakitu impénanana
    Putri lilir terus gugah
[ 5 ]

    Ngahuleng jero kulambu
    Bari ngamanah impénannana
  1. Nya putri teu kulem deui
    Harita dongkap ka beurang
    Geus beurang seug nyaur baé
    Ka badéga anu dua
    Naya Génggong Ardanaya
    Badéga anggeus di payun
    Dareuheus badéga dua


  2. Andaya Sasih ngalahir
    Naya Génggong Ardanaya
    Na kami alamat naon
    Tadi ngimpi lalayaran
    Tapi kalem parahuna
    Éta aing ngimpi kitu
    Naon éta balukarna


  3. Ku duaan coba pikir
    Jeung alamat naon éta
    Sakitu lahir putri téh
    Pok piunjuk Ardanaya
    Nun Agan bakal cilaka
    Pok Naya Genggong ih alus
    Ari raos sim abdi mah


  4. Nyi putri ngandika deui
    Kasebut alus kumaha
    Jeung wakcakeun Naya Génggong
[ 6 ]

    Jeung ieu ceuk Ardanaya
    Pang rék cilaka kumaha
    Badéga dua pihartur
    Duka kitu kieunamah agan

  1. Kitu sotéh jisimabdi
    Eta mah ngan susuganan
    Haturan Ki Naya Génggong
    Ari carék Ardanaya
    Leres simabdi gé sugan
    Pihatur sotéh sakitu
    Tamba pokok dipariksa


  2. Badégana bari seuri
    Putri ewed ngamanahan
    Geus kamanah pasrah baé
    Teu langkung kersa Allah
    Ngan dina lebet manahna
    Keur bobot lulus ngajuru
    Sakitu putri manahna


  3. Raja Rum kacatur deui
    Di lebet Raja Naléndra
    Keur ngamanah-manah baé
    Ngan badé pawarang
    Di Erum taya badéna
    Raja Rum nyaur penghulu
    Sarawuh sakabéh pangkat
[ 7 ]

  1. Geus puguh Patih Cangkiling
    Rangga Demang ngadeuheusan
    Pangkat leutik pangkat gedé
    Geus pada séba ka Raja
    Kumpulan di Padaleman
    Raja Rum lajeng ngadawuh
    Éh, sadaya pangkat-pangkat


  2. Jeung sugan aya pamanggih
    Ménak atawa somahan
    Aya parawan nu hadé
    Nu pantes badé pawarang
    Sukur lamun putra ménak
    Kami téh bet hayang nyandung
    Sakitu nu kapihatur


  3. Sadaya matur ka gusti
    Sadaya abdi ngiringan
    Nanging henteu mendak baé
    Istri nu badé pawarang
    Mung ngupingkeun cariosan
    Putri Mesir anu punjul
    Kasihna Gan Purba Lintang


  4. Nu ngalamar bala wiri
    Ratu salawé nagara
    Tacan kersaeun baé
    Duka enya wantos béja
[ 8 ]

    Kitu perunjuk perpangkat
    Gumujeng Raja ngadawuh
    Moal gagal éta béja

  1. Ayeuna mah radén patih
    Ka Ratu Mesir deuheusan
    Ki Patih kudu ku manéh
    Sakalian mawa surat
    Raja Erum lajeng nyerat
    Basana nu matak wuyung
    Sang putra putri nonoman

II. Pupuh Sinom

  1. Raja Rum parantos nyerat
    Basana di ilo deui
    Surat kaunjuk hingkang rama
    Ingkang alegahing Mesir
    Putra hatur pangabakti
    Ka saketi rébu ampun
    Nyanggakeun dikalepatan
    Réhing putra kumawani
    Mendak-mendak kanjeng rama
    Luntur manah


  2. Sareng purun putra ama
    Purba Lintang rék dikawin
    Naon baé kapalayna
    Sanajan mundut nagari
    Putra nyanggakeun ka nyai
    Supaya énggal ka Erum
[ 9 ]

    Sakalian kanjeng rama
    Badé pésta siang wengi
    Ngan sakitu unggelna lebeting serat

  1. Lajeng di cap ditilepan
    Sareng ku raja ditawis
    Seug deui raja ngandika
    Ka Radén patih Cangkiling
    Ayeuna baé Ki Patih
    Montong engké montong isuk
    Ka Mesir nyanggakeun serat
    Tampi serat Radén Patih
    Patih kebat kalur ti padamelan


  2. Gacang sumping ka bumina
    Patih Cangkiling tarapti
    Badéga nyelangan kuda
    Opatan nu bakal ngiring
    Ngiringn badéga Patih
    Tukang kaén tukang kimpul
    Tukang epok geus sadia
    Numawa jeung cakah-cikih
    Nu saurang rada senang tukang sela


  3. Gancang Ki Patih Angkat
    Ngalamar ka nagri Mesir
    Nitih kuda gagancangan
    Sigeung lampah Raden Patih
    Kocapkeun sang Raja Mesir
[ 10 ]

    Jeung Gerwana keur misahur
    Misahur lampah putrana
    Nyi Purba Lintang kakasih
    Geus dilamar ratu salawé nagara

  1. Ditampik ku Purba Lintang
    Sangandika Raja Mesir
    Si Nyai éta kumaha
    Gedé teu boga salaki
    Wirang temen awak kami
    Boga anak henteu payu
    Meureun kocap ka tatangga
    Sakitu wiwirang kami
    Geura nyai asup kana wiwilangan


  2. Geuning carék paribasa
    Pipilih nyiar nu leuwih
    Kocéplak meunang nu naktak
    Enggeus tangtu kitu nyai
    Kitu deui Raja Mesir
    Putrana tungkul diwuruk
    Ngabisu teu ngawalon
    Purba Lintang anggur nangis
    Ku ibuna dikaléng diupah-upah


  3. Raja mésem teu ngandika
    Calik deui kana korsi
    Kasigeung dilebet raja
    Kacatur Patih Cangkiling
[ 11 ]

    Jol sumping ka nagri Mesir
    Geus dongkap ka alun-alun
    Patih lungsur tina kuda
    Dipapag ku raja Mesir
    Enggeus tepang tangkeup tangan
    Sasalaman

  1. Lajeng calik ka paséban
    Patih Erum patih Mesir
    Tuluy baé sasauran
    Kamanah ku patih Mesir
    Carios Patih Cangkiling
    Diutus ku Raja Erum
    Énggal ti paséban budal
    Sejana marek ka gusti
    Énggal mangkat patih Mesir nu ti heula


  2. Sup lebet ka padamelan
    Énggalna marek ka gusti
    Raja Mesir seug ngandika
    Haturan Radén Patih
    Patih jawab bari indit
    Nuhun gusti amit munjung
    Nyanggakeun serat cong nyembah
    Dicandak ku raja Mesir
    Lajeng dibuka serat dijawang diwaca


  3. Patih mindo ngadeuheusan
    Patih Erum Patih Mesir
[ 12 ]

    Raja eukeur maos serat
    Kamanah unggelna tulis
    Serat ngalamar Nyi Putri
    Nagos serat enggeus putus
    Kanjeng Raja seug ngandika
    Naha kabeneran teuing
    Ratu agung ngamanah ka anak urang

  1. Tapi Ki Patih Ayeuna
    Urang pariksa heula nyai
    Sabab loba nu ngalamar
    Ratu salawé nagri
    Tapi sakabéh ditampik
    Ayeuna ku Raja Erum
    Éta budak dipimanah
    Naha atoh-atoh teuing
    Mun dipareng nyai téh eujeung takdirna


  2. Kitu pilahirna raja
    Sangmatur Patih Cangkiling
    Kairing dawuhan raja
    Terus lulus puta gusti
    Mun kersa jeneng putri
    Luntur galih ka raja Rum
    Langsar mamanahannana
    Simabdi panuju teuing
    Sabab putra sareng Raja Erum timbang
[ 13 ]

  1. Sieup pigerwaeunana
    Ratu kasép putri geulis
    Ibarat jambé dibeulah
    Kitu raos jisim abdi
    Wujukna Patih Cangkiling
    Raja Mesir seug ngadawuh
    Sahur patih bener pisan
    Tapi rai pikir sami
    Kajeun teuing si Nyai dapon ngajawab


  2. Supaya geura lakian
    Sababna geus gedé teuing
    Kawula bet rada wiring
    Anak awéwé sahiji
    Teu banget boga salaki
    Kadieu-dieu téh embung
    Ayeuna copna ka Raja
    ......kaluar si Nyai
    Eujeung ieu Patih sina geura tuang


  3. Enggalna jol pamasangan
    Sangu kopi nyuguh Patih
    Sarawuh Ki Patih Arga
    Nyaéta papatih Mesir
    Jeung radén Patih Cangkiling
    Taruang payuneun ratu
    Geus parantos patih tuang
    Seug pada ngarot cikopi
    Lalawuhna katimus loba gulana
[ 14 ]III. Pupuh Dangdanggula

  1. Raja Mesir nyaur agan putri
    Purba Lintang sumping ngadeuheusan
    Harémpoy nu geulis mambo
    Tungkul diraksukan wulung
    Ningali ka radén patih
    Ngarérét ku juru soca
    Tapi teu sumaur
    Putri éndah ngalampacat
    Purba Lintang anu geulis taya tanding
    Ratu sajagat wawayangan


  2. Ditingali ku Patih Cangkiling
    Tan kumelet soca kadéstama
    Ki patih manahna kagé
    Patih nyaur lebet kolbu
    Nya paingan putri Mesir
    Loba pisan nu ngalamar
    Geulis téh pininjul
    Samalah garwana raja
    Mun ngaréndéng nu sepuh Andala
    Sasih
    Pantes lamun badégana


  3. Ayeunamah supaya kairing
    Ieu putri naon pamundutna
    Ku diri sanggupeun baé
[ 15 ]

    Tapi manah patih Erum
    Saur sotéh lebet galih
    Raja Mesir seug ngandika
    Ka putra ngadawuh
    Nyai Ama nampi serat
    Ti raja Rum unggelna nanyaan Nyai
    Kumaha nyai ayeuna

  1. Lamun kersa nyai téh dikawin
    Unggal serat mudu ayeuna
    Kumaha kersa Nyai téh
    Mun kersa urang ka Rum
    Jeung ibu ama sakalih
    Nyai poma ayeunamah
    Isin ku raja agung
    Pikeun lampah nu katukang
    Sabab éta jumeneng tur sugih
    Tur ama doa kacida


  2. Purba Lintang ka rama ngalahir
    Hatur sembah nun ama sumangga
    Ari kersa dimomoré
    Nanging gaduh nya panuhun
    Lamun garwana dipeuncit
    Sumangga pisan ditikah
    Ku sang raja Erum
    Karanten mun teu kitu mah
    Abdi narah kajeung teu gaduh salaki
    Lamun teu dongkap nya niat
[ 16 ]

  1. Kajeun abdi paéh jadi siit
    Teu lakian lamun tinekanan
    Ngan sakitu panuhun téh
    Sang raja deui ngadawuh
    Geuning éta kitu patih
    Si nyai omongannana
    Jeung kumaha atuh
    Patih Erum cedok nyembah
    Bari matur nun sumangga dawuh gusti
    Ku abdi pisan kakuping


  2. Sakitumah asa gampil teuing
    Rewas abdi sabab kapengker mah
    Raja Erum ka gerwana téh
    Giruk kaliwat langkung
    Malah ayeuna gé gusti
    Disegah misah bumi
    Tebih ti kadaton
    Anu mawi rada cua
    Ongkoh keur bobot Andaya Sasih
    Pangreuneuhna meunang jinah


  3. Kapengke mah nimbalan abdi
    Raja Erum miwarang paéhan
    Ku abdi ditimbang baé
    Ditungguan ka ngajuru
    Nu mawi ngetangan dipeuncit
    Ku raja diidinan
    Teu cios dihukum
    Ayeuna pamundut putra
[ 17 ]

    Gerwa raja ayeuna misti dipeuncit
    Tangtos dilampahan pisan

  1. Ayeuna mah kersa jeung gusti
    Sareng putri énggal baé angkat
    Kinten putri ngantos baé
    Sabab raha Rum nimbalan
    Keun séép jisim abdi
    Putra gusti pamundutan
    Geus aya di Erum
    Kitu patih piunjukna
    Raja Mesir nimbalan ka Enéng putri
    Ieuh elis ari ayeuna

  2. Sareng ibu geura dangdan elis
    Pikeun séba jeung urang deuheusan
    Kapalay nyai éta téh
    Kumaha mangké di Erum
    Geus jongkok raja jeung nyai
    Turut ki patih saurna
    Motong badé binggung
    Putri enggal dangdan-dangdan
    Jeung ibuna panggango nu dina peti
    Sagala barang dibuka

  3. Nu dicandak teu disimpeun deui
    Panggangona ibu sareng putra
    Eusi bumi éntép-éntép
    Seug deui raja ngadawuh
[ 18 ]

    Nimbalan ka patih Mesir
    Patih sing sadia jalma
    Anu bakal nanggung
    Eunjeung santana paréntah
    Sawaréh bakal dibawa

  1. Eujeung ménta anu bakal ngiring
    Opat puluh pilih nu garagah
    Nu dua keur pangambeng
    Mangké di nagri Rum
    Jeung déka mawa sapi munding
    Entog soang meri hayam
    Ulah hésé diditu
    Kuda gajah rarahaban
    Sing sadia ulah uyup-ayap deui
    Bari nyempah patih indit

  2. Gadag gidig ka paséban pasti
    Paparéntah gancang nu maréntah
    Jeung éta jalma janggal
    Ti peting dikerid unggul
    Ti kampung nagari mesir
    Jalma pinter kapalana
    Mandorna nu nanggung
    Geus ngaliud di paséban
    Abdi gusti ka Erum nu bakal ngiring
    Sarébu santana gagah
[ 19 ]

  1. Gusti upacara deui
    Geus sadia marawa tumbak
    Bahuna maké kalebet
    Topina maké jejembuk
    Maké bulu hayam rintih
    Kabéh dikurunyung
    Tunggu raja badé angkat
    Eukeur saged tacan adia Néng Putri
    Nu keur nyurupkeun salira

  2. Lajeng saged nganggo sarung kaki
    Purba Lintang numuwuh parti lenjang
    Geus nganggo kasut dibordél
    Nganggo geulang jeung kangkalung
    Sumber emas jeung anu manis
    Berlian baranag inten
    Ari dina sanggul
    Lulumat jeung kembang goyang
    Parantosan sasagedna Enéng putri
    Diantian ku ibuna



IV. Pupuh Kinanti

  1. Sang raja Mesir geus hangsur
    Kaluar ti jero bumi
    Geurwa sinareng putrina
    Geus legedet anu ngiring
    Raja lajeng papajengan
    Sinareng gerwana deui
[ 20 ]

  1. Diluar raja ngadawuh
    Nimbalan ka patih Mesir
    Ki patih tunggu nagara
    Masing ati-ati patih
    Bisi aya kumaha onam
    Da urang gé moal lami

  2. Patih Arfa sembah matur
    Ngabdi neja jiad gusti
    Lajeng raja nitih gajah
    Gerwa putra nitihna jalmi
    Jeung raja maos bismillah
    Hayu kipatih Cangkiling

  3. Pihatur ki patih Erum
    Nun sumangga ngiring gusti
    Enggal raja Mesir angkat
    Nu ngiring heula pandeuri
    Gotongan mah geus ti heula
    Lempang ti beurang ti peuting

  4. Kawantu janggol geus baku
    Leumpangna beunang diangsih
    Geus dongko ka palabuhan
    Parahu kapal geus nyanding
    Kapal aya kapalana
    Beunang ngurus patih Mesir
[ 21 ]

  1. Nu ngagotong sisi laut
    Kana kapal piliganti
    Jebul sumping kangjeng raja
    Geus pakepuk jeung mandor kuli
    Nya éta mandor gotongan
    Sok ngaremis dodol wajit

  2. Enéng putri énggal lungsur
    Rawuh ibuna ti jauh
    Raja lungsur tina gajah
    Sareng kipatih Cangkiling
    Énggalna naritih kapal
    Bébér layar Raja Mesir

  3. Sadaya henteu kantun
    Sakumna raja Mesir
    Enggeus puguh emban dinya
    Tukang masak asem kari
    Éta henteu pisan tinggal
    Sigeung lapah raja Mesir

  4. Kocap kanjeng raja Erum
    Keur nimbalan ka para mantri
    Sarawuh ka para Santana
    Jeung tikohun haji-haji
    Raja miwarang tétébah
    Pikeun kanjeng raja Mesir
[ 22 ]

  1. Para Santana pakepuk
    Tétébah di jero bumi
    Jaksa mantri kanduruan
    Metakeun tempat panggiring
    Maréntah patinggi luluhur
    Jeung kaumbul para yayi

  2. Buat nguyuh ti kohum
    Éta Santana ti Mesir
    Di negri Erum sadaya
    Cuh cih huh lah patinggi
    Keur metakeun panghormatan
    Nu ngadadak nuarawi

  3. Reujeung pucuk daun kawung ki julang
    Daun caringin jero
    Saubengna nagri
    Anu wates kaca-kaca
    Jeung saubeng pager sari

  4. Dibabanjong umbul-umbul
    Eujeung lawé ronték deui
    Ngajar disisi jalan
    Dongkap kana lawang kori
    Pahurmatan geus sadia
    Nu metakeun camar nagri
[ 23 ]

  1. Kalembu kasang jeung kasur
    Bantal sareng guguling
    Sareng ditutupan emas
    Ranjang katil adu manis
    Disopal pérak salaka
    Awisan sang putri Mesir

  2. Tata tétébah raja Rum
    Peta-peti sisi bilik
    Jaksa patih nu metakeun
    Émpér ampar alketip
    Korsi ngadadak dikumbah
    Nu lawas dipedar deui

  3. Sakabéh enggeus kahatur
    Kenop méja lampu korsi
    Rampu rantuy dikosokan
    Bulak balik bae koki
    Dék kukumbah kana wadah
    Tangan rémong ku kawali

  4. Geus sadia kanjeng ratu
    Di lebet di panca niti
    Anu bala disapuan
    Buruan lénang lalening
    Sang raja Erum ngandika
    Ka jaksa rawug ka mantra
[ 24 ]

  1. Ari dawuh raja Erum
    Ayeuna jaksa jeung mantra
    Kudu dagoan pada mapag
    Raja Mesir bisi sumping
    Sabab ti patih bet lunta
    Sugan kabawa néng putri

  2. Ngadawuh raja Erum
    Jaksa mantra sembah indit
    Lajeng baé ka bumina
    Kudu dangdan jaksa mantra
    Jeung opat puluh Santana
    Éta nu bakal ngiring

  3. Ninggal nu mapag tuluy
    Gerus dongkap ka wates nagri
    Pada lungsur tina kuda
    Kersa puguh éta pangiring
    Kabéh pada nyangcang kuda
    Mangla mapang geus caralik

  4. Kasigeug nu mapag nunggu
    Kacarios raja Mesir
    Bébér layar nitih kapal
    Parahu tarik ku angin
    Geus dongkap ka palabuhan
    Sadaya hanjat ti cai
[ 25 ]

  1. Ti parahu raja lungsur
    Teu kantun patih Cangkiling
    Diheulakeun Purba Lintang
    Sarawuh ibuna deui
    Riab ngiringkeun emban-emban
    Campur awéwé lalaki

  2. Seug deui putri ditandu
    Sareung ibuna sakalih
    Raja Mesir nitih gajah
    Ari dén Patih Cangkiling
    Nitih kuda sisirikan
    Badéga ti pungkur ngiring


V. Pupu Pungkur

  1. Ratu mapag patémbongan
    Raja mantra eukeur gasik galih indit
    Santana nu opat puluh
    Lulumpatan nyokot kuda
    Sabogana geus deukeut raja dariuk
    Hempag sakabéh nu mapag
    Ajrih ninggal raja Mesir

  2. Kanjeng raja papariksa
    Jaksa mantra piunjuk bari indit
    Cacarios bari maju
    Ku raja Mesir kamanah
    Nu mapag eunggeus campur
    Jeung nu ngiring tambah loba
[ 26 ]

    Gumujeng patih Cangkiling

  1. Sasauran reujeung jaksa
    Bari angkat misaur waktu di Mesir
    Sanés tinya dipisahur
    Lajeng patih papariksa
    Ka dén jaksa perlampahna sang prabu
    Jaksa mantri sasahuran
    Misahur lampah di nagri

  2. Gumujeng di luhur kuda
    Kumawantun nu ngiring heula pandeuri
    Raja Mesir rada jauh
    Énggal sumping ka nagri
    Raja mantri tina gajah gasik lungsur
    Raja Erum magelaran
    Mapagkeun ka raja Mesir

  3. Barang sumping tangkeup tangan
    Sasalaman Raja Erum Raja Mesir
    Gerwa raja dina tandu
    Sareng enéng Purba Lintang
    Henteu kandeg kabéh kalebet geus asup
    Sareng para emban-emban
    ngaleut ngangkeuy anu ngiring
[ 27 ]

  1. Raja Erum dipajengan
    Raja Mesir éta dipajengan deui
    Kalebet tacan melebu
    Sabab ngasupkeun gotongan
    Masih rosa tangtungna di alun-alun
    Ari geus putus gotongan
    Kakara melebu gusti

  2. Patih jaksa kabumina
    Sareng mantri pada marulih kabumi
    Ari kanjeng Raja Erum
    Jeung Raja Mesir satata
    Enéng putri calikna téh rada nyumput
    Bari ngelétan ka emban
    Nuduhkeun benang cacawis

  3. Raja Erum tétébahna
    Ditingali ku néng putri bari jebi
    Emban dinya tungkul imut
    Ibuna deui ngelétan
    Ti lahirna tetapi sumaur laun
    Emban naha éta sia
    Cengar-cengir atuh isin

  4. Jeung répéh sakabéh emban
    Nyi putri emban dijebian deui
    Pada seuri bari turun
    Ku amban téh kahartieun
    Agan putri moyok hormatan raja Rum
[ 28 ]

    Tanda putri awon manah
    Geulis namah taya tanding

  1. Ngan hanjakal ku cawadeun
    Éta putri geulisnamah taya tanding
    Kirang lulus dina semu
    Hurik ati belang bayah
    Parandina kanjeng raja Erum Kapincut
    Teu benang kersa Allah
    Jodo tinimbang lan pati

  2. Pahurmatan geus sadia
    Numpuk nyusun dina méja sareng kopi
    Nu puguh mukti panghulu
    Ti jaksa tikapatihan
    Ti wadana murudul anu pundung
    Raja Erum barang tuang
    Sareng kanjeng Raja Mesir

  3. Sadaya sami tuang
    Jaksa patih disahur ku kanjeng gusti
    Mentri kaliwon panghulu
    Rangga demang kangduruan
    Sema séba taruang di lebet kumpul
    Raja Erum ba'da tuang
    Tumaros ka raja Mesir

  4. Kaulanun kanjeng rama
[ 29 ]

    Sareng ibu putra hatur pangabakti
    Laksa keti rébu ampun
    Dimanah piunjuk putra
    Ibu ama ayeuna sumping ka Erum
    Jeung maca Alhamdulillah
    Haturan pihatur kuring

  1. Putra ti awal liahna
    Dina serat badarat ka patih
    Boh bilih putra teu purun
    Ayeuna naroskeun putra
    Kersa ama putra naon nu dipundut
    Margi rék cios ayeuna
    Kitu saur raja Rumti

  2. Raja Mesir seug ngandika
    Leres pisan serat ti putra katampi
    Sareng nyanggemna patih Rum
    Kana panuhun pun anak
    Ari pokna mangga daék ka rja Rum
    Nanging gerwana telasan
    Kitu omongna si nyai

  3. Mangga pariksa ku putra
    Lajeung baé cacarios Raja Mesir
    Kumaha ku raja Rum
    Midang éta carios rama
    Raja Rum seug deui unjuk pihatur
    Panginten lamun kitu mah
[ 30 ]

    Kamaklum ku jisim kuring

  1. Ari perkawis éta mah
    Nya sumangga dihukum Andaya Sasih
    Nanging mangké geus ngajuru
    Orokna sing medal heula
    Sabab éta bising anak kuring éstu
    Hayang terang dirupana
    Najan enya anak kuring

  2. Mun awéwé ditelasan
    Lalaki gé mun goréng mah dipeuncit
    Geus tangtu dibunuh
    Sabab reuneuh menang jinah
    Ayeuna mah manawi rujuk jeung sepuh
    Badé ditikah baé heula
    Ayeuna putra dikawin

  3. Kitu raja ngadawuhna
    Purba Lintang pihaturna semu ajrih
    Ngabdi mangga kaulanun
    Ku raja badé ditikah
    Nanging kersa raja sumpah ka Nu Agung
    Boh bilih cidra ka ama
    Teu pegat Andaya Sasih


VI. Pupuh Pungkur

  1. Sang raja Rum imut bari ngadawuh
    Sumpah ogé hadé nyai
[ 31 ]

    Harita sumpah raja Rum
    Perceka ka raja Mesir
    Manah nyi putri geus atoh

  1. Dén penghulu ku raja mesir disahur
    Pnghulu deuheus ka kami
    Sor caket radén panghulu
    Nampi wali raja Mesir
    Dén panghulu lajeung ngaos

  2. Maca dalil dijawab ku raja Rum
    Putus tikah enéng putri
    Jadi gerwa jara Erum
    Panghulu nampi mas kawin
    Uang pérak tilu bokor

  3. Raja Erum ka patih lajeng ngadawuh
    Ayeuna geura ki patih
    Paréntah ka jaga satru
    Sareng umbul para yayi
    Sumawon radén kaliwon

  4. Eta urus pangkat-pangkat sinareng ngubruk
    Eujeung peuncit sapi munding
    Nyi panghulu ngurus lauk
    Urang pésta siang wengi
    Sabab geus nadar abréto
[ 32 ]
  1. Sakalian bari nadar ka karuhun
    Réhing kula entas kawin
    Jeung sarat di alun-laun
    Kumpulkeun gamelan deui
    Rupa ogél ronggéng pélog

  2. Ngan sakitu timbalan raja Rum
    Patih paparéntah gasi
    Ka paséban gura-giru
    Nimbalan umbul para yayi
    Keras getas popolotot

  3. Pnagkat leutik eunggeus kumpul pada unjuk
    Putus motong sapi munding
    Keur olah gancangna putus
    Sagala eunggeus tarapti
    Pék di ambéng jero gedong

  4. Radén patih lungsur angkat semu rusuh
    Miwarang ka para yayi
    Mariem gera pék sunét
    Sebrot lumpat para yayi
    Jol sup jegur wanis geunjleung

  5. Tatabeuhan digederkeun eujeung lisung
    Jeung surak pating jarerit
    Ngaguruh di alun-alun
    Tingturubul urang sisi
[ 33 ]

    Pada suka nu lalajo

  1. Raja pésta henteu lambat dipicatur
    Tujuh poé tujuh peuting
    Geus lekasan pésta ratu
    Gerwa raja putri Mesir
    Urang ujengkeun carios

  2. Raja mesir pihatur ka Raja Rum
    Putra kang rama amit
    Ayeuna ama rék wangsul
    Perkawis tuang rai
    Upatan lampagna awon

  3. Kedah wuruk putra langkung ma'lum
    Sarengna titipkeun nyai
    Éta awakna sakujur
    Kitu sahur raja Mesir
    Sang Raja Erum ngawalon

  4. Dawuh ama éta kateda kasuhun
    Mangga ama badé mulih
    Ting colodok anu nyembah
    Raja Mesir anu keur mulih
    Heunteu panjang ti carios
[ 34 ]
  1. Kasigeugkeun éta lampah Raja Erum
    Caturkeun Andaya Sasih
    Ti waktu peta Raja Erum
    Réndéngan ka putri Mesir
    Api-api nu teu nyaho

  2. Calik baé henteu loba sahur
    Ngan putra anu kaéling
    Baréto ngimpén di laut
    Lalayaran tuluy palid
    Ngan sakitu anu kailu

  3. Putri nyaur tapi lebeting kalbu
    Nya ieu impian aing
    Panas haté nu dicandung
    Parandéné kajeun teuing
    Di ieu keur ngandung orok

  4. Ngan mugi-mugi sing énggalan najuru
    Andaya Sasih ngadawuh
    Manéh lalajo kamari
    Ardanaya Naya Genggong

  5. Pada matur badéga ka nyai ratu
    Ngadéhém jeung batuk leutik
    Pokna pangandika nun
    Jeung baturna silih getik
    Ki Ardanaya ngawalon
[ 35 ]
  1. Baroraag lalajo abdi kaula nun
    Ngan risi nu aya abdi
    Sok inggris gusti ngajuru
    Taya nu néang paraji
    Ari pok pun Naya Génggong

  2. Ngan sim abdi terang baé kula nun
    Kamari basa lalajo
    Ngan nempo anu diburu
    Bet loba dodol jeung wajit
    Ku simabdi didodoho

  3. Sareng mendak dina kéler angeun lauk
    Dibantun baéku abdi
    Malah Ardanaya nguyup
    Ardanaya cengkat ngetig
    Bongan sia Naya Génggong

  4. Keur kitu ningal putri Mesir
    Ieu rarasaan aing
    Palangsiang rék ngajuru
    Tuh geuwat ngala paraji
    Aing bet nyeri bobokong

  5. Naya Génggong manéh nguninga ka ratu
    Ardanaya ka paraji
    Kitu saur Nyai ratu
    Badéga ngageuwat indit
[ 36 ]

    Ardanaya Naya Genggong

  1. Lulumpatan nu duaan semu rusuh
    Teu lami geus jol paraji
    Lajeng bobor nyai ratu
    Orokna medal lalaki
    Kasmarn ki Naya Génggong



VII.Pupuh Kasmaran
Sang Raja Erum ngalahir


    Éta kitu rék kamana
    Cedok nyembah Naya Génggong
    Nun dawuh dampal gamparan
    Nguninga gerwa raja
    Érék babar kaulanun
    Abdi mawi ngadeuheusan

  1. Raja Rum ngadawuh deui
    Ayeuna mah éta kita
    Geura balik deui baé
    Aing taya moal néang
    Ngan aing rék méré ngaran
    Ki Jaka Mursadan kitu
    Lamun orokna geus medal

  1. Kitu sotéh mun lalaki
    Éta kitu pingaraneunana
    Lamun nu medal awéwé
[ 37 ]

    Piceun baé walungan
    Éta ulah dihirupan
    Kitu dawuh Raja Erum
    Naya Genggong lemék jawa

  1. Sampung rampung dawuh gusti
    Dawuh Raja nya los kita
    Nyembah amit Naya Génggong
    Ti lebet anggeus kaluar
    Lempang rusuh gagancangan
    Barang dtang nyampak putus
    Juragan geuning geus babar


  2. Andaya Sasih ngalahir
    Kumaha bieu ceuk raja
    Eukeur dawuhna ka manéh
    Naya Génggong pok haturan
    Nun agan dawuhan raja
    Moal linggih kanjeng ratu
    Ngan maparin panjenengan


  3. Mun pameget murangkalih
    Kakasih Jaka Mursada
    Lamun istri nu medal téh
    Mist piceun ka walungan
    Kitu dawuh kanjeng raja
    Ka abdi bideu kawulanun
    Kitu pihatur badéga
[ 38 ]

  1. Lahirna Andaya Sasih
    Puguh raja mo ngalayad
    Meureun baé kekur panganténan
    Geung entong loba carita
    Katunda anu keur babar
    Urang catur Raja Erum
    Jeung gerwana Purba Lintang

  2. Keur saré tunggal saresmi
    Purba Lintng sareng Raja
    Sangputri nguping carios
    Andaya Sasih ditelasan
    Putri ngadak-ngadak bendu
    Ka raja teu sasauran

  3. Raja Erum langkung asih
    Gerwa bendu teu kamanah
    Sang Putri dikaléng baé
    Keur calikna ngunjar lembar
    Ku raja diupah-upah
    Bari dirungrum dicium
    Barang sang putri hareudang

  4. Putri ngageter ngagidir
    Amarahna teu kaluar
    Ku raja dikaléng nokér
    Paupahan disépakan
    Rupa inten emas pérak
[ 39 ]

    Sang Raja Erum sumaur
    Aéh enéng naon kapalay

  1. Bet teu puguh-puguh benci
    Enéng naha bet kitu adat
    Jeung atuh sing wakca baé
    Naon jeung anu dimana
    Ka engkang muduh sing terang
    Bet bendu teu puguh-puguh
    Asup kana paribasa

  2. Omongan jalma kiwari
    Jadi istri ulah ngadat
    Montong éra lamun ngénta artos
    Geus jamakna lalakimah
    Ka Istri nanya kahayang
    Naon baé nu dipundut
    Moal burung ditedunan

  3. Kelét ngadelék sang putri
    Ngoser teu adab lahirna
    Nangis teu kajumplang-jampling
    Ari kasahuranana
    Baréto nangis lakian
    Sok henteu sudi candung
    Da puguh piker teu puguh

  4. Nyai ati as disebit
    Asa paturay nya raga
[ 40 ]

    Hate asa dijejewét
    Henteu ayeuna pangoloan
    Boro baé enggeus sumpah
    Kasanggupan rék diukum
    Kari-kari dirasanan

  1. Teu répéh nyi putri nangis
    Jumengkat top nyandak pedang
    Semu nu rék meuncit manéh
    Ku raja pedang di téwak
    barina raja ngandika
    Néng sing éling ulah kitu
    Engkang ayeuna nitahan

  2. Emban geura sahur patih
    Nyi emban ti dapur lumpat
    Emban miwarang lopérés
    Nitah deui gulang-gulang
    Gulang-gulang geuwat lumpat
    Teu lami nu disahur
    Patih ngdeuheusan ka raja

  3. Raja nimbalan ka patih
    Aéh patih ayeuna leumpang
    Tong mulang heula patih téh
    Andaya Sasih geura bawa
    Ka leuweung bari teulasan
    Tapi gotong kana tandu
    Pék bawa eujeung orokna
[ 41 ]

  1. Orokna piceun ku patih
    Tapi montong dipaéhan
    Da tangtu paéh ku manéh
    Ana geus indungna modar
    Nu matak montong dipaéhan
    Timbalan raja sakitu
    Ki patih matur sumangga

  2. Cong nyembah ki patih indit
    Gadag-gidig ka paséban
    Patih nyaur ka kaliwon
    Maréntah ka santana
    Bakal jajap gerwa raja
    Heunteu loba ngan opat puluh
    Sakabéh sadia dangdan

  3. Patih Cangkiling tarapti
    Dangdan tanduan sadia
    Patih lajeng angkat baé
    Ka putri anu érék babar
    Sarawuh para Santana
    Énggalna kipatih asup
    Ka bumi nyandak tanduan

  4. Ningali Andaya Sasih
    Serta barina ngandika
    Bet akang patih ieu téh
    Piwarang naon ku raja
    Atawa ngalayad putra
[ 42 ]

    Sareung nyandak éta tandu
    Akang téh badé ka mana

  1. Boa rék nyandak murangkalih
    Akang piwarang ku raja
    Nu mawi nyandak tandu téh
    Patih Cangkiling ngandika
    Akang diutus ku raja
    Anu matak mawa tandu
    Kapan nyai kudu mulang

  2. Nyai ka nagri Majési
    Ku raja geus teu kamanah
    Ayeuna digésér baé
    Murangkalih Ki Mursada
    Ayeuna téh geura candak
    Ayeuna pék geura urus
    Nyai diantos ku kakang

VIIPupuh Kinanti

  1. Sang putri hudang ngajuru

  2. Karék umur tilu peuting
    Andaya Sasih pék dangdan
    Beuteungna dibengkungan
    Ku sesempur anu panjajng
    Dangdan barina jeung nangis
[ 43 ]

  1. Jika seueurna ngarubut
    Serta nyaur nyi putri
    Naya Genggong Ardanaya-
    Ka darieu lahir putri
    Ngadeuheus badéga dua
    Pada maur ka sang putri

  2. Ari pokna montong kitu
    Da kapan agan mah istri
    Najan nangis sosongkolan
    Nu matak piwarang mulih
    Istri teu gaduh duriat
    Piwarang balik nya balik

  3. Pok gandek dua karitu
    Pada meper ka nu nangis
    Balikan kersa agan
    Urang téh d dieu cicing
    Ari geus kieu mah era
    Angger mending gé balik

  4. Mangka agan tingali ka luhur
    Masih lega bumi langit
    Bét dianggo cupét manah
    Meunggeus isin baé nangis
    Kitu omong badéga dua
    Nyi putri sumaur deui
[ 44 ]

  1. Boa enya atuh hayu
    Urang téh geus titah balik
    Eta bawa kanjut kundang
    Bari pangku murangkalih
    Geus asup kana tanduan
    Sarawih ibuna deui

  2. Radén patih ngarurusuh
    Badéga masih di bumi
    Saur patih geuwat sia
    Anjin lila-lila teuing
    Ardanaya pok ngajawab
    Eh patih ku goréng biwir

  3. Aing téh eukeur mumuluk
    Rék meuli teu gableg duit
    Nurustunjung mun disépak
    Teu euweuheun teuing patih
    Kadangu ku patih téa
    Moro bari rék nampiling

  4. Nyaur bet luka si namru
    Kawas ka sasama ka aing
    Barina mébér panangan
    Badéga dua seuri
    Bari ngomong aéh agan
    Bet séjén-séjén deui
[ 45 ]

  1. Ngomong sotéh jeung si namru
    Da ku agan geus dilandi
    Kitu walon Ardanaya
    Naya Génggong walon deui
    Enya teu harti ku agan
    Ku urang rék nampiling

  2. Abdi mah teu pisan langkung
    Piraku ka agan patih
    Ngahagal-hagal campelak
    Ngomong songong sotéh abdi
    Merebutkeun dagé kowas
    Si Naya Genggong cilimit

  3. Teu pisan ka agan langsung
    Pan agan kasohor sakti
    Den patih mautan rumbah
    Bari ngajeméngan kumis
    Jeung ngahayukeun gotongan
    Sosa miwarang indit

  4. Putri teu raos dipalsu
    Dina tandu ngeunah calik
    Puguh gé rék ditelasan
    Di kebon ku radén patih
    Naya Genggong Ardanaya
    Teu anggang pungkureun putri
[ 46 ]

  1. Ardanaya mawa kanjut
    Kundang kongkorékan putrid
    Eujeung ngakeup kadaharan
    Sagala haturan putrid
    Naya Génggong sagandongan
    Barubutna murangkalih

  2. Pakarangan gobang lubuk
    Radén patih ti pandeuri
    Wantu bari nitih kuda
    Di géndéng ku anu ngiring
    Ku opat puluh ponggawa
    Sakabéh beunang badami

  3. Di jalan leuweung ting aringkuk
    Bareng geus lebah nu sunyi
    Ki patih negarkeun kuda
    Sertana geus asar ahir
    Ningali jam pukul lima
    Rumaos geus burit teuing

  4. Ki patih ti pungkul celuk
    Cumuluk nahir ki patih
    Éh gotongan eureun heula
    Kapan ieu téh geus burit
    Seug eureun ki Ardanaya
    Eujeung nu ngagotong
[ 47 ]

  1. Andaya Sasih sumaur
    Tina tandu bari bijil
    Ieu eureun teu pernah
    Di nu sunyi leuweung kai
    Jeung naha leuweung bet mabal
    Rék kumaha kakang patih

  2. Jeung kakang patih bet kitu
    Ditingalna ku sim abdi
    Kawas nu sarulit manah
    Ngiceupan kabéh pangiring
    Bari nyi putri iyatna
    Muncereng ngalahir patih

  3. Enyana mah dawuh ratu
    Manéh mesti hukum pati
    Jeung ieu badéga dua
    Bari matek pedang patih
    Ningal pedang nu ngaburinyay
    Pitulung Robbul alamin

  4. Bareng dék bek putri kabur
    Teu tolih di murangkalih
    Repot ponggawa nu kabur
    Pitulung nu Maha Suci
    Nu ngudag henteu kaudag
    Badéga dua buncelik
[ 48 ]

  1. Teu aya gimir sabuuk
    Awak asa sagedé pasir
    Pitulung yang Maha sukma
    Dumadakan pada wani
    Tur teu teurak ku pakarang
    Nu ngudag diudag deui

  2. Nu ngalawan bek kulubuk
    Nu keukeuh ngudag diberik
    Nu opat puluh malodar
    Taya nu hirup sahiji
    Kocap patih tina kuda
    Morongos nyabab jeung bengis

  3. Sia naha wani kitu
    Wani kabéh ngabdi gusti
    Ardanaya némbal nyentak
    Geura modar ditampiling
    Aing téh teu hayang adab
    Tadi sia nyebut anjing

  4. Aing disebut si nambru
    Sia gé medu si jugil
    Ki patih tambah napsu
    Salirana wani ngagidir
    Disisia ku badega
[ 49 ]

    Nyabet ku pedang ki patih
    Patih ditakis pedang
    Kulubu kuwani marilit

  1. Sok jeung aing perang pupuh
    Aing keur keuheul titadi
    Keur nyatu digeuwat-geuwat
    Patih rada hemar-hemir
    Geus taya batur saurang
    Nyaur patih lebet galih

  2. Héran bet éta si namru
    Teu nyana ka aing wani
    Wani neunggeul pameunteu
    Wirang raosna jeung risi
    Ki patih maos isimna
    Jeung salirana ngagidir

  3. Tina kuda patih lungsur
    Narajang teu tempo deui
    Nampiling ka Ardanaya
    Ditepak tangan Ki patih
    Ditumbuk iga burungna
    Patih tibeubeut teu eling

  4. Ku Naya Genggong dituyung
    Ditalipuk birit patih
    Ki patih cengkat buringas
[ 50 ]

    Pedangna bari ditarik
    Nu medang kapiheulaan
    Pageuh peupeuteuyan patih

  1. Pedangna ragrag keur ngungkul
    Gandék dua pada pusing
    Ki patih kunu duaan
    Dén patih ngaraos sisip
    Buringas patih rék ngejat
    Tambuh polah radén patih



VIII. PUPUH GAMBUH


  1. Patih Cangkiling bur kabur
    Kuda ti heula disusul
    Radén patih lumpat tarik
    Tapi rék nyarék teu tulus
    udengna teu dicokot

  2. Kawas nu sieun disusul
    Kuda kasusul digebug
    Jeung kuda heula pandeuri
    Engkang nyoréang kapungkur
    Ngahéhoh jeung popolotot
[ 51 ]

  1. Nu ngudag eureun teu maju
    Radén patih eunggeus jauh
    Malah geus dongkap kanagari
    Nyimpang ka garduh ngahanju
    Bari ngeuprukan kambang kaso

  2. Wantu pinuh kana rambut
    Nyapaan pamérés labor
    Radén patih ngariringkil
    Geus keukeupruk pék digelung
    Patih eunggeus ka pakuan

  3. Ardanaya nu kacatur
    Geus lila mah rada ripuh
    Jeung Naya Genggong badami
    Urang balik deui hayu
    Kumaha water kuwarok

  4. Peupeurih ibuna kabur
    Hayu urang bari susul
    Beg ieu téh eunggeus magrib
    Kamana ieu téh teu puguh nyusul
    Itu baé buru orok

  5. Nu duaan buru-buru
    Murangkalih dina tandu
    Geus dibarlikan deui
[ 52 ]

    Tengah leuweung-leuweung-liwung
    Bisi kuluk bubungaok
  1. Barang nepi kana tandu
    Bedéga dua arasup
    Orok aya geuning nangis
    Murangkalih pék dilahun
    Pili genti mangku orok

  2. Ardanaya muka kanjut
    Aya bawang jeung cariu
    Dikokos bet liat geuning
    Ceuk Naya Genggong na atuh
    Puguh cariu dikokos

  3. Ari manéh pan orok mah perlu
    Bubura jeung pupuk suhun
    Geuning sok nenjo paraji
    Geus kieu kumaha atuh
    Mikiran anu ngalolos

  4. Nu duaan sapeupeuting ngajararentul
    Ti soré dongkap ka subuh
    Ardanaya geus ngalahir
    Urang indit baé hayu
    Ka mana urang téh nya los
[ 53 ]

  1. Nu duaan eunggeus pada kapidangdung
    Jero leuweung luwang-liwung
    Henteu témbong panon ari
    Jeung teu puguh kalér kidul
    Sumawon wétan jeung kulon

  2. Tanggungan mah éta tandu
    Piceun baé éta ridu
    Da puguh jalan rarumbit
    Teu puguh urang nya nyusul
    Geus hayangeun nyusu orok

  3. Nu nyusul pating arasruk
    Saban nu bala diasruk
    Turun gunung unggah pasir
    Dikoréhan saban dungus
    Ti pasir mapay ka legok

  4. Geus lami henteu katimu
    Kumaha atuh urang téh atuh
    Pili genti anu ngais
    Tuluy leumpang ngétan ngidul
    Nu disusul mah ka kulon

  5. Tunda anu nyusul
    Kocap nyi putri anu kabur
    Kawantu nu lumpat burit
    Jeung getih can saat ngucur

[ 54 ]


    Dina sinjangna ngajemblong

  1. Nu keur hampat mendak sumur
    Sumur karungkupan dungus
    Ngagorobas ngagubrag keur lumpat tarik
    Nyangkoroh dijero sumur
    Andaya Sasih ngalegon

  2. Tunda putri dina sumur
    Patih Cangkiling kacatur
    Ngadeuheus ka kanjeng Gusti
    Keur lalinggih dina batu
    Ka patih dawuh sang Katong

  3. Kumaha kang patih putus
    Andén Sasih dihukum
    Jeung nyembah patih Cangkiling
    Unjukan ka sang prabu
    Unjukan patih ngabohong

  4. Nun gusti sumuhun putus
    Dalah gusti kitu panuju
    Saur putri puas teuing
    Kami sok ijid ka maru
    Genah ayeuna geus kojor

[ 55 ]


  1. Dén patih mindo piunjuk
    Ngan abdi kalangkung giruk
    Badéga Andaya Sasih
    Ka sim abdi wani numbuk
    Ti pungkur bet ngadodoho


IX. PUPUH PUNGKUR


  1. Sang raja mindo mariksa
    Na kumaha badéga Andaya sasih
    Patih Cangkiling piunjuk
    Nun sumuhun dawuh raja
    Naya Genggong Ardanaya sami ngamuk
    Ngabdi gusti perlaya
    Anu opat puluhmati

  2. Ku abdi rék ditumpesan
    Kabur ngejat sareng kaburu burit
    Ari orok dina tandu henteu barang pirosaya
    Nanging gusti geus tangtos dilebok maung
    Sareng mun gusti ngidinan
    Ku abdi diteang deui

  3. Sareng ngabantun kaagamaan
    Mendak aya idin sapuk jeung kersa gusti
    Pinunjuk patih sakitu
    Kanjeng raja seug ngandika
    Aéh akang patih keun baé montong disusul

[ 56 ]


    Pasal éta jalma modar
    Bangdawasa urugan teuing

  1. Bet modar ku jalma dua
    Tur si badega kitu deui
    Badéga bulukusunu
    Opat puluh modar
    Na kumaha mun kitu
    Teu kuat ka jalma dua
    Taya nu kuat sahiji

  2. Karena mun dirurugan
    Ku kang patih
    Eta jalma dua siki
    Asa wiring temen atuh
    Tur lain raja badéga
    Pasal aya ngulampreng mah misti bunuh
    Siratkeun baé ayeuna
    Enggal nyembah radén patih

  3. Gadag-gidig ka pakaseban
    Engkang dongko ka paseban patih nulis
    Geus parantos nyaur umbul
    Mawa surat-sirat jalma
    Ardanaya Naya Genggong anu kabur
    Geus béwara ti nagara
    Abdi gusti sami nguping

[ 57 ]


  1. Urageun tatangga désa
    Pangkat leutik lurah sarepuh patinggi
    Saban jalan nyagak garduh
    Megat ngaran Ardanaya
    Eujeung Naya Genggong deui misti bunuh
    Da lamun teu bisa ngalawan
    Misti laporkeun ka patih

  2. Kapala mudu ngaronda
    Saban peuting mudu jogo ka nagri
    Serta di kampung mudu
    Nu beunghar kudu dijaga
    Karemitan kantong aing eusina kitu
    Sabot ngamitan nu beunghar
    Nu kamiskin di reumin

  3. Kana pagawéannana
    Tunggu garduh saban peuting pili genti
    Carios nagara Erum
    Campur jeung jaman ayeuna
    Tapi lain ngapanan ka nun gurus
    Tapi jaman baheula mah
    Eta enya kitu Saditu

  4. Mangga kebatkeun carita
    Nagri Erum geus metakeun anu kemit
    Naya Genggong urang catur
    Sarawuh ki Ardanaya
    Unggal peuting di leuweungna ting alasruk

[ 58 ]


    Néangan juragan Naya
    Disingkab sakur nu buni

  1. Ari ti beurang néangan
    Ari geus burit muru-muru kana kai
    Kolong Canir asup
    Tapakur maca istigfar
    Neda-neda ka gusti nu Maha Luhur
    Agan sing kasalametan
    Rawuh ieu murangkalih

  2. Teu nyusu mugi kuat
    Masing langsar asép ulah rék berewit
    Orok téh bari dicium
    Kitu pikir badéga dua
    Henteu géséh pikiranana lalucu
    Dihao-hao harita
    Murangkalih geus bisa seuri

  3. Deuleu euy itu si ujang
    Ayeuna mah nu kasep geus bisa seuri
    Ku Naya Genggong dicium
    Nepak ki Ardanaya
    Eta ulah diciuman teuing kitu
    Sok tuturiheun orok mah
    Mingkeun baé da keur ulin

[ 59 ]


  1. Deuleu itu ngecrokan tangan
    Euh kumaha acép teu boga cau sasiki
    Beureum sotéh lain cau
    Mun pék beurang heula atuh
    Teureuy sawaréh kadinya
    Da urang gé geuning eunggeus hayang nyatu
    Deungeuna mah itu loba
    Pucuk kondang pucuk bening

  2. Tuluy pada dadaharan
    Nu duaandina sahandapeun kai
    Muka sangu enggeus tuhur
    Dibaraheuman aron
    Wantu eunggeus heubeul lampah anu ngasruk
    Weléh baé teu kapendak
    Geus dahar arindit deui

  3. Ti dinya teras deui ka sampalan
    Tuluy baé mapay lebak unggah pasir
    Rét ka kidul ninggal saung
    Pok ngomong Ardanaya
    Itu enya geura kawas-kawas saung
    Ki Naya Genggong némbalan
    Enya ka saung sidik

  4. Tuluy pada leumpang gancang
    Enggeus deukeut Ardanaya ngomong deui
    Adi urang enggeus ripuh
    Tapi ké datang ka dinya

[ 60 ]


    Akal-akal supaya dibayar nyatu
    Mun ragem urang bubujang
    Eujeung ieu murangkalih

  1. Sugan aya nu nyusuan
    Jeung didieu kawasna rayi suni
    Sarta pojok deukeut laut
    Carék Naya Génggong enya
    Bari maju bareng dongkap sampurasun
    Ardanaya punten basana
    Jero ngalahir manis


X. PUPUH DANGDANGGULA


  1. Nu tiimah nempo bari seuri
    Handap basa Agus nu timana
    Bet kadieu poék-poék
    Ardanaya ngawangsul
    Saenyana kawula bibi
    Nu matak kawula nyimpang
    Kapameng nyalagu
    Asal néangan juragan
    Teu kapanggih ti dituna téh bet leungit
    Henteu puguh anu mawa

  2. Ku taksiran dibawa ku jurig
    Eta agan teu wantu aya wé randa
    Ki Ardanaya bohong sawaréh

[ 61 ]


    Ari ceuk gaduh saung
    Atuh kadieu caralik
    Naya Génggong Ardanaya
    Ka imah arasup
    Ari geus diuk di imah
    Ardanaya da imah pok nanya deui
    Embi didieu jeung saha

  1. Carék nini téangan jeung aki
    Saayeuna eujeung nyangcang domba
    Eujeung munding dua ésé
    Ngan sakitu nya kadeudeuh
    Peupeulakan henteu jadi
    Kaburu kahalodoan
    Nu jadi ngan cau
    Ki sémah kuma nya dahar
    Henteu gaduh cau aya hijihaturan aki
    Ké antosan baé moal lila

  2. Wantu da ngan dua sikat deui
    Na bet lila palangsiang sasab
    Pikameulangeun aki téh
    Nini Tamli seug turun
    Ngageroan Aki Tamli
    Eukeur digeroan jol datang
    Bari naha atuh
    Aki téh bet buburitan
    Puguh ieu digeroan sotéh aki
    Tatamu can disuguhan

[ 62 ]


  1. Ardanaya seug tamada embi
    Teu kuring kapan keur nyaba
    Emang pangapunten baé
    Walon aki Tamli sukur
    Peupeurih nyuguhan kuring
    Kumaha da lain nyaah
    Jeung geuwat Nini nyangu
    Ngomong deui Ardanaya
    Tadina mah nu terang rék musapir

  2. Ayeuna mah éta nyangu Nini
    Ku kaula tukeuran ku budak
    Aigé carék Nini téh
    Karah nyandak budak lembut
    Leres seug kasép lalaki
    Mawi ku kuring dibawa
    Lain anak Maung
    Da timu ti anu bala
    Mangga atuh mumulé ku anak Nini
    Kitu ceuk badéga dua

[ 63 ]


  1. Pakumaha Nini jeung Aki
    Carék Aki hadé éta budak
    Ku urang téh dimumulé
    Tapi mudu daék ngasuh
    Sok bikeun cau téh Nini
    Saha Agus nya jenengan
    Wantu anyar tepung
    Bisi piteunah ka Paman
    Eta kitu sabab tukeur euweuh saksi
    Mudu asuh ku sampéan

  2. Eujeung Agus timana nya bumi
    Ardanaya noél ka baturna
    Pok walon Ki Naya Génggong
    Asal mah kuring téh jauh
    Lembur ti Nagari Majesi
    Ari dipariksa ngaran
    Ka kuring nu nyebut
    Naya Génggong ka kaula
    Ari ieu ngaran nu saurang deui
    Kang pangantén Ardanaya

[ 64 ]


  1. Eta kitu ngaran kula Bibi
    Bét ayeuna piwarang ngasuh budak
    Piker kaula tadi gé
    Néangan Agan teu timu
    Kaula rék kula-kuli
    Sabab bekel enggeus beak
    Matak rék buburuh
    Ayeuna Paman kaula
    Dirawatan kaula dititah cicing
    Sarawuh Kakang Ardanaya

  2. Mangga éta Bibi éta murangkalih
    Geura rawatan ku Bibi mandian
    Sugan pangaruhan geus gedé
    Omong Naya Genggong kitu
    Dipangku ku Nini Tamli
    Murangkalih dimandian
    Cahyana ngagebur
    Naya Genggong
    Suka bungah puguh deui Nini Tamli
    Jeung Aki geus pada giat

[ 65 ]


  1. Kasigeugkeun lampah Nini Tamli
    Nutur kana sempaling carita
    Nabi Hidir nu kojo téh
    Pulo Ening semu iuh
    Hibar cahya murangkalih
    Nabi Hidir seug ngandika
    Salebeting kolbu
    Bét surem jero patapan
    Aya naon kitu manah Nabi Hidir
    Murangkalih kauninga

  2. Saur Nabi nya paingan teuing
    Nini Tamli keur ngebagkeun budak
    Nabi geus uninga baé
    Eta anak Raja Erum
    Samalah ngarana sidik
    Nya éta Jaka Mursada
    Nabi Hidir weruh
    Nabi Hidir lajeng angkat
    Saciptana jol sumping ka Nini Tamli
    Nini jeung Aki ngarenjag

[ 66 ]


  1. Tuluy sujud Aki rawuh Nini
    Sarta ngomong Gusti Abdi tobat
    Ngersakeun naon Gusti téh
    Omong Nini Tamli kitu
    Seug ngandika Nabi Hidir
    Kami ménta éta budak
    Rék dibawa ngapung
    Lain rék dipiboga
    Ari mengké geus gedé dibikeun deui
    Ku Nini Aki antian


XI. Pupuh Kinanti


  1. Aki Nini pihatur
    Atuh sumangga téh teuing
    Ulabon sarga budak
    Sanajan diri pribadi
    Da geus ti anu kagungan
    Sumeja sumerah diri

  2. Piunjuk Aki sakitu
    Les baé leungit nu mulih

[ 67 ]


    Angkat teu katinggal rupa
    Sareng murangkalih leungit
    Naya Genggong Ardanaya

  1. Dua pada tarurun
    Ti imah seug alak-ilik
    Sup deui unggah ka imah
    Nanyakeun ka Aki Tamli
    Paman nu bieu téh saha
    Anu mundut murangkalih

  2. Aki Tamli pok ngawangsul
    Eta Kangjeng Nabi Hidir
    Bisi Agus teu uninga
    Gaib Kangjeng Nabi Hidir
    Agus urang ka Nugraha
    Kasumpingan Nabi Hidir

  3. Geura ténjo itu ku Agus
    Pepelakan kabeh jadi
    Ngadak-ngadak baruahan

[ 68 ]


    Samalah huma anu garing
    Paréna rampak geus asak
    Hayu urang pada mipit

  1. Moal kurang dahar Agus
    Eujeug tingal Munding Nini
    Reujeung Domba aranakan
    Jengkar Domba eujeung Munding
    Unggal poé ngajuruna
    Eta Domba opat siki

  2. Enggeus jadi opat puluh
    Munding anu dua siki
    Engeus jadi opat pasang
    Aki Nini jadi sugih
    Naya Genggong Ardanaya
    Kagaét sajeroning ati

  3. Duaan henteu sumaur
    Nini Tamli ngomong deui
    Agus naon nya kahayang
    Hayang dahar sanguna sasaid

[ 69 ]



    Hayang buah da arasak
    Manggu, Pisitan, Kawéni

  1. Omong Nini Tamli kitu
    Ari carék Aki Tamli
    Nini urang suka bungah
    Lain atoh loba rijki
    Pok Ardanaya bet senang
    Henteu ngasuh murangkalih

  2. Ki Naya (...... ) nya kitu
    Orok dicandak ku Nabi
    Ari ayeuna mah kula
    Kumaha paréntah Nini
    Naon baé piwarangan
    Ari carék Nini Tamli

  3. Heueuh bener kitu Agus
    Montong loba nu dipikir
    Pare urang pibuatan
    Duaan tilu jeung Aki
    Nini mah érék popolah

[ 70 ]


    Nutu, ngéjo, naheur cai

  1. Omong Nini Tamli kitu
    Naya Genggong tuluy indit
    Sarawuh jeung Ardanaya
    Dibuat huma jeung Aki
    Mipit pare paréntah
    Paréntahan Nini Tamli

  2. Ki Ardanaya geus matuh
    Ngamukim di Nini Tamli
    Jeung Ki Naya Genggong dunya
    Sertana geus rumpak jami
    Sigeug sempaling carita
    Kocap Kangjeng Nabi Hidir

  3. Murangkalih nu dibantun
    Ka patapan pulo Ening
    Nabi Hidir sakersana
    Pék ngebogkeun murangkalih
    Baju nagé nu dicandak

[ 71 ]


    Téréh ageing murangkalih

  1. Mandi geus tangtu
    Di kebakeun dua kali
    Murangkalih lulumpatan
    Di kebakeun tilu kali
    Geus jadi bujang jenglengan
    Geus ngandila Nabi Hidir

  2. Ayeuna geus gedé Enung
    Geura anggo ieu samping
    Ngaran samping palang ruksak
    Eujeung baju sarta patih
    Udeng kuning sakebonan

  3. Jeung ieu pék sorén Duhung
    Eujeung ieu kembang kuning
    Paranti mancala warna
    Rupa Asep salin-salin
    Geus sepuh sok jadi ngora
    Nya ieu palay susumping

[ 72 ]



  1. Pihatur mursada nuhun
    Bari nampanan paparin
    Enggal murangkalih dangdan
    Leuwih kasép taya tanding
    Medal cahaya lir bulan
    Jeung Nabi ngandika deui

  2. Ayeuna téh Asép Enung
    Eyang kasép pépéling
    Mangké téh kudu tatapa
    Tapa sajeroning mincing
    Ari eupana ku Domba
    Lobana pat puluh siki

  3. wasiat éyang sakitu
    poma Asep ulah lali
    ayeuna asep ku Éyang
    dianteurkeun ka Ambu Tamli
    sabab Asep asal tinya
    kitu saur Nabi Hidir

[ 73 ]


    Jaka mursada ngawangsul
    Nun Éyang sumangga ngiring
    Seug deui Nabi ngandika
    Pék peureum ulah ningali
    Asep dikaléng ku Eyang
    Ulah érék samar piker


XII. Pupuh Asmarandana


  1. Kitu wuruk Nabi Hidir
    Seug peureum Jaka Mursada
    Ku Nabi Hidir dikaléng
    Kersana sakedet netra
    Ka Nini Tamli geus dongkap
    Aki Tamli keur ngariung
    Naya Genggong Ardanaya

  2. Keur dalahar Aki Tamli
    Nini Tamli ngaladénan
    Daharna ditunda baé
    Nabi Hidir seug ngandika

[ 74 ]


    Aki masing jongjon dahar
    Los teu manggih sangu
    Minangka nu tapa buka

  1. Mukakeun perjangji kami
    Sanggup ngagedéan budak
    Ayeuna ieu geus gedé
    Nyelehkeun kami ayeuna
    Tapi turut sakarepna
    Naon baé nu dipundut
    Ku Aki ulah dipungpang

  2. Ngan sakitu jangji kami
    Ayeuna kami rék mulang
    Nini masing hadé-hadé
    Nabi sakitu lahirna
    Les ilang teu katingali
    Naya Genggong seug ngarangkul
    Ka Radén Jaka Mursada

  3. Ardanaya rawuh Aki
    Nini Tamli ngarangkulan

[ 75 ]


    Pada nyuuh ceurik ramé
    Ari éta badégana
    Ceurik éling ka ibu
    Rarayna ampir sapatut
    Tapi teu ngomong harita

  1. Ari Nini mah jeung Aki
    Ceurik sotéh suka duka
    Sukana ningal nu kasép
    Dukana ku lalawora
    Tadina basa nyiraman
    Ngagolér dina palupuh
    Ngan sakitu kareuwasna

  2. Anu kasep taya tanding
    Kadi Dewa kama Jaya
    Lengkeh ngalemperéng konéng
    Ménak lenjang ngalempayat
    Nu kasép Jaka Mursada
    Alus bangun lungguh tumpuh
    Henteu bosen anu ningali

[ 76 ]


  1. Malah Aki reujeung Nini
    Anu ceurik pada cengkat
    Ardanaya Naya Genggong
    Geus sami répéh ceurikna
    Nini Tami olah-olah
    Macang cikopi jeung sangu
    Haturan Jaka Mursada

  2. Sadia Nini cacawis
    Jaka Mursada ngandika
    Eni Aki ayeuna téh
    Kaula érék nyarita
    Sababa timbalan jeung éyang
    Kaula muda ka laut
    Rék nguseup eupana Domba

  3. Eta kitu putu eni
    Kaula rék neda Domba
    Nini Aki gancang walon
    Ulabon sariga Domba
    Najan Munding gé sumangga

[ 77 ]


    Domba eni opat puluh
    Suka lilah lamun beak

  1. Paké eupan mincing
    Sumangga............
    Emang nyokot Domba ka Tegal
    Ulah lila téréh-téréh
    Sapuluh baé heulaanan
    Naya Genggong Ardanaya
    Ngagiring Domba sapuluh
    Geus ngaliyud diburuan

  2. Gancangna Mursada indit
    Érék nguseup ka Sagara
    Ardanaya Naya Genggong
    Eukeur leumpang sumpang simpang
    Ruwal-rawél barang ala
    Pada ngala jambu batu
    Dihakanan bari leumpang

  3. Jaka Mursada ngalahir
    Tiheula bari ngagupai

[ 78 ]


    Lahirna paman bari leuleungen
    Kadieu masing garancang
    Ana ngawangsul badéga
    Ieu Sép Domba teu maju
    Sumpang-simpang hayang nyatuan

  1. Ku Agan mudu dipirig
    Kitu omongna badéga
    Jaka Mursada ngawalon
    Pék atuh Paman tiheula
    Ardanaya ngawalonan
    Lain Domba nu teu maju
    Kuring ngalabuan heula

  2. Teu lila kalaut sumping
    Calik disisi Sagara
    Jaka mursada ngajogo
    Sarta bari nyandak tambang
    Ka badégana ngandika
    Cing Domba téh Paman pangku
    Ieu useup téh eupaneun

[ 79 ]



  1. Ki Badéga silih tuding
    Pahiri-hiri duanana
    Pék deui ku anjeun baé
    Jaka Mursada ngeupanan
    Dikait bujurna Domba
    Beng dibalangkeun ka laut
    Diteunggeul iwak sagara

  2. Ngan sakétap Domba hiji
    Tuluy deui dieupanan
    Eupan beunang deui baé
    Tayoh kalmot useupna
    Anu matak bet nyaba
    Badégana ngadeukeutan

  3. Jaka Mursada ngalahir
    Paman Domba téh geus beak
    Coba nyokot deui baé
    Pada ngomong gandék dua
    Édas lauk téh bet jahat
    Saged naon nu nyangkut
    Anom mah barang leukeunan

[ 80 ]XIII. Pupuh Sinom


  1. Seug deui Radén ngandika
    Geuwat Paman nyokot deui
    Geus montong loba carita
    Kabéh baé lomba giring
    Harita badéga indit
    Naya Genggong gura-giru
    Sarawuh Ki Ardanaya
    Ka babakan enggeus nepi
    Nini Aki mariksa ka Ardanaya

  2. Agus mancing téh kumaha
    Geus meunang sabaraha hiji
    Asép dimana ayeuna
    Kitu carék Aki Tamli
    Ki Ardanaya ngalahir
    Agan mah di sisi laut
    Nguseupna teu acan meunang
    Eupana mah eunggeus abis
    Balik soteh Kaula rék nyokot eupan

[ 81 ]


  1. Érék ngagiringkeun Domba
    Kira Lima belas siki
    Kitu omong Ardanaya
    Naya Genggong walon deui
    Urang ulah hésé deui
    Kabéh baé giring atuh
    Upama aya sésana
    Da meureun dibawa deui
    Carék Aki nya bener kabéh pék bawa

  2. Gancangna Ki Ardanaya
    Domba Ki Tamli digiring
    Heunteu kacatur di jalan
    Geus dongkap ka nu keur mincing
    Jaka Mursada ngalahir
    Domba téh kabéh dibantun
    Walon gandék leres Agan
    Kuring sanggel bulak balik
    Geus pégat deui useupna téh eupanan

[ 82 ]


  1. Ari geus putus ngeupanan
    Tuluy dibalangkeun deui
    Disanggo ku lauk sakétap
    Domba téh tinggal sahiji
    Nu hiji dikait deui
    Dibalangkeun kop disanggut
    Diteunggeul badéga seunggal
    Ku Radén Jaka ditarik
    Lauk bedas narik deui bedas

  2. Geus moro gendek nu Dua
    Sumangga Agan jeung kuring
    Kagusur gandék nu dua
    Méh rék ngajebur ka cai
    Ku Radén digeuwat deui
    Keun Paman kaditu mundur
    Ti dinya Jaka Mursada
    Ningkil nojér kana keusik
    Bari nyaur nyeblok baé sing jero heulana Paman

[ 83 ]


  1. Geus nyeblok Radén Mursada
    Paman geuwat ménta Munding
    Ka eni geuwat sing gancang
    Haturkeun ka Ama Aki
    Nguseup téh kudu ditarik
    Ku munding keur melak lauk
    Tapi kabéh baé bawa
    Éta Munding opat rakit
    Ardanaya Naya Genggong lalumpatan

  2. Ka lembur gancang geus datang
    Ditanya ku Aki Tamli
    Na kunaon lalumpatan
    Mana Asép bét teu mulih
    Badéga ngahégak lahir
    Puguh eukeur narik lauk
    Ayeuna keur padonco-donco
    Kaula rusuh téh balik
    Ménta Munding keur narik lauk téh beunang

[ 84 ]


  1. Kitu omong gandék dua
    Suka ati Aki Tamli
    Émoprok barina jeung surak
    Lakadalah bagja teuing
    Geuwat Agus bawa Munding
    Asép palangsiang kagusur
    Kabawa iwak sagara
    Kitu carék Aki Tamli
    Carék Nini atuh buru-buru geuwat

  2. Sagedé naon laukna
    Hayang geura nénjo Bibi
    Jeung érék cawis sambara
    Érék ngapeun baé Bibi
    Kitu omong Nini Tamli
    Ki Naya Genggong ngawangsul
    Enya Bibi sing sadia
    Ngala daun pikeun mais
    Ari Paman sing loba nyieun panggangan

[ 85 ]


  1. Kitu omong Ki Badéga
    Bari tuluy nyokot Munding
    Ardanaya nyokot tambang
    Eujeung Naya Genggong deui
    Manggul pasangan sakali
    Naya Genggong leumpang rusuh
    Nya kitu Ardanaya
    Pahibut ngagiring
    Mawa pecut jeung pada manggul pasangan

  2. Munding lumpat dipecutan
    Wantu rusuh nu ngagiring
    Munding leumpang sumpang-simping
    Narajang ka Tegal elih
    Dipegat ku nu ngagiring
    Nincak cucuk jungkrang-jingkrung
    Ardanaya gaganjangan
    Eujeung ngowé was-was wis-wis
    Eunggeus dongkap Mundingna dipasapan

[ 86 ]


  1. Jaka Mursada ngandika
    Coba Paman bulat-bulit
    Teu tali useup ceuceu
    Dipetakeun geus tarapti
    Gancangna useup ditarik
    Lauk ti cai digusur
    Calangap hanjat ka darat
    Jaka Mursada ningali
    Badégana eumeupreuk cicing keulkal jeung surak

  2. Ari pokna sia béang
    Geuwat anom geura peuncit
    Abdi dék neda panon
    Éta inten herang teuing
    Ari ceuk saurang deui
    Abdi mah sisitna wungkul
    Sabab uang emas
    Naha bagja-bagja teuing
    Moal susah boga uang emas loba

[ 87 ]


  1. Kitu carék gandék Dua
    Naya Genggong ngomong deui
    Kuring mah ngaku panon
    Erék dijual sahiji
    Geus tangtu loba nu meuli
    Murah-murah Tujuh ratus
    Panon hiji hargana
    Kitu omong Ki Pangiring
    Radén Bagus mesem barina ngandika

  2. Paman cekel ku duaan
    Teu lauk urang peuncit
    Badégana seuseurian
    Duanana sukaati
    Pada ngomong ngecewis
    Bari narumpakan lauk
    Gedé heunteu kira-kira
    Radén Bagus sangkal-singkil
    Narik duhung barengna geus diungkulan

[ 88 ]


  1. Lauk ngomong kawas jalma
    Ari pokna mengké Gusti
    Abdi ulah dipaéhan
    Sabab lamun paéh Abdi
    Gamparan enggeus pianasti
    Mamang enya jeneng Ratu
    Sakitu lauk omong
    Jaka Mursada ngalahir
    Naha enya jeung bét bisa ngucap

  2. Na lauk naon ngarana
    Gedé serta alus teuing
    Panon inten sisit emas
    Lauk téh pok ngomong deui
    Ari ngaran mah simkuring
    Tegesna iwak Minayu
    Abdi lamun dihirupan
    Sarta ka caikeun deui
    Gusti lamun napak kangjeng di Sagara

[ 89 ]


  1. Abdi saur ku Gamparan
    Nepak cai Tilu kali
    Gamparan moal kamaotan
    Kitu omong lauk cai
    Jaka Mursada ngalahir
    Mun kitu mah atuh lauk
    Manéh geura ka Sagara
    Ayeuna geura los balik
    Iwak Minayu geus gejebur ka Sagara

  2. Anu numpakan ti pecat
    Di sisi ninggang kikisik
    Duaan nagkarak bengkang
    Lauk geus ka cai deui
    Badéga dua jarebi
    Handeueul kaliwat langkung
    Harudang barina bari kekepruk ngusapan keusik
    Jeung jumengkat keuheul ka Juraganana

  3. Sami bangkenu ulatna
    Dusdisa semu anu pusing
    Tina kikiik bareunta

[ 90 ]


    Dipariksa gé teu muni
    Gagaro sirah nu pusing
    Gado budina samutut
    Naya Genggong Ardanaya
    Geus henteu tolih ka Munding
    Tuluy mulang heunteu beunang dipegat


XIV. Pupuh Magatru


  1. Ardanaya Naya Genggong nu pundung
    Lauk dileupaskeun deui
    Baeud kawani samutut
    Mun budak mah meureun ceurik
    Supaya ras enggeus kolot

  2. Ngan méntégég baé ari ras ku lauk
    Harita badéga balik
    Duaan nu leumpang ngasruk
    Pating gerendeng nu pusing
    Boga Juragan téh gélo

  3. Héran urang tur budak turunan Ratu
    Kasépna teu aya tanding

[ 91 ]


    Tapi ireg lamun kitu
    Humayua mun hayang mincing
    Ngaruksak ka banda kolot

  1. Mending-mending mun Bapa Estu
    Dipikir nya matak nyeri
    Tadi rék nurut untung
    Ari eunggeus lauk bukti
    Bet teu mawa ka kolot

  2. Ngan kaduhung baé baréto digubug
    Nyana rék salah hareuti
    Mun teu digubug Maung
    Ardanaya ngomong deui
    Heueuh ku urang baréto

  3. Kasép-kasép naha budak bet bedegong
    Tayoh budak édan éling
    Ku eunggeus beunang gé lauk
    Disina ka cai deui
    Matak keuheul budak gélo

[ 92 ]



  1. Naya Genggong amarahna ngagugudag
    Ardanaya kitu deui
    Hayu baé buru-buru
    Urang béjakeun ka Bibi
    Datang sina ditanggeelong

  2. Ardanaya Genggong enggeus cunduk
    Jol baé ka Nini Tamli
    Budi semu sarambutut
    Rét nu ningali Nini Tamli
    Nanya Nini naha léwéh

  3. Bari naha Agus kawas anu parundung
    Jeung man lauk téh Agus
    Anu ditarik ku Munding
    Naha agus téh ngabohong

  4. Eujeung mana kapan mawa Munding Agus
    Boa beak paké mincing
    Naha balik teu dibantun
    Jeung Asep dimana deui
    Ngawangsul Ki Naya genggong

[ 93 ]



  1. Puguh Bibi mah matak warangsul
    Nay éta kusaking sendil
    Pang balik sotéh da pundung
    Domba opat puluh ledis
    Domba beak lauk poas

  2. Ku geus leneng lauk ti cai digusur
    Ditarik ku dua rakit
    Sisit nag é emas wungkul
    Panonna inten biduri diténjo hurung moncorong

  3. Rék dipeuncit ku Agan teu lulus
    Lauk dikencarkeun deui
    Kitu matak kula pundung
    Handeueul kaliwat saking
    Kitu omong Naya Genggong

  4. Aki Tamli ngadengé anu cacatur
    Morongos panon buncelik
    Aki Tamli langkung napsu
    Serta jeung ngomong bengis

[ 94 ]


    Aéh naha budak gélo

  1. Mun kitu mah nya kawilang nurustunjung
    Budak bangkawarah teuing
    Domba aing opat puluh
    Mun kitu miti diganti
    Mun teu bukti jor mantog

  2. Aki Tamli harita keur ngumbar napsu
    Nini Tamli nganbek deui
    Ti imah mangpeungkeun nyiru
    Bari ngajejoét sahid
    Pariuk totos ditajong

  3. Ngomong ngaprak geus tong daratang ka lembur
    Bet ngaruksak barang aing
    Baréto euweuh nu kitu
    Ngan aing baé jeung Aki
    Heunteu burung lega kebon

  4. Ayeuna mah jor baé geura alundur
    Nini jeung Aki gé gék calik

[ 95 ]



    Pok na bét narurustunjung
    Heunteu hayang heunteu sudi
    Aing téh dikoroméoh

  1. Bareng Aki jeung Nini nu keur narapsu
    Suaban Nini jeung Aki
    Jebul sumping Radén Bagus
    Barina ngagiring Munding
    Ngadangu nu huak-haok

  2. Nini Tamli nu keur ngaprak nu tundung
    Teu pisan éling ka jangji
    Wantu kabawa ku napsu
    Pangwurukna Nabi Hidir
    Lantaran Nini kokoro

  3. Raden Bagus raos ditundung ku Ibu
    Sisi pager nyegruk nangis
    Nalangsa barina nyuuh
    Disampeurkeun ku pangiring
    Ardanaya Naya Genggong

[ 96 ]


  1. Nyeblak welas badéga ka Radén Bagus
    Na kunaon Agan nangis
    Jaka Mursada ngawangsul
    Kaula nu matak ceurik
    Pan ditundung ku kolot

  2. Na ka mana ti dieu kula nya muru
    Kula teu Lanceuk teu Adi
    Ari ku kolot ditundung
    Kula geus teu puguh piker
    Badéga dua ngawalon

  3. Jadi kitu kutan namah Agan bingung
    Pan Abdi nya kitu deui
    Bet urang pada ditundung
    Eta téh ku Nini Tamli
    Puguh sadaya rumaos

  4. Turta Agan éta lain Ibu éstu
    Saleresna Nini Tamli
    Eta agan indung pulung
    Da Agan mah putra Gusti

[ 97 ]



    Geura Abdi rék nyarios

  1. Pa agan mah éta Putra Raja Erum
    Nu matak didieu calik
    Ku Abdi dibawa ngancruk
    Abdi paséa jeung Patih
    Kitu asalna baréto

  2. Saleresna Abdi kamari téh pundung
    Pundung soréh api-api
    Supaya ti dieu undur
    Nyieun akal sangkan balik
    Kitu baé akal kolot

  3. Raden Bagus ngandika bari sumegruk
    Sula lain anak Nini
    Badéga dua ngawangsul
    Lain éta Agan Lain
    Pok Arda jeung Naya Genggong

  4. Ayeuna mah urang saréba ka Erum
    Urang ngadeuheus ka Gusti

[ 98 ]


    Nanging Abdi rada bingung
    Saréhing benci jeung Patih
    Kumaha sangkana poho

  1. Badégana kasusahan ngan sakitu
    Jaka Mursada ngalahir
    Gampang hayang salin patut
    Ieu sumping kembang kuning
    Patih erum tangtu poho

  2. Sadayana ogé Paman salin patut
    Samalah ngaran diganti
    Emang Ardanaya Daud
    Ki Masrut nu hiji
    Eta landi Naya Genggong

  3. Ti harita disumping geus salin patut
    Disusumping kembang kuning
    Gancangna sakabéh udur
    Tinggal Nini Aki Tamli
    Geus beunghar jadi kokoro

[ 99 ]


  1. Aki Tamli geus lemper ngahurung balung
    Amarahna beak Aki
    Kaduhung ku goring sahur
    Nini Tamli kitu deui
    Ceurik kumambang cipanon


XV. Pupuh Maskumambang


  1. Nini Tamli ngomongna bari ceurik
    Kaduhung nyarékan
    Bet éling kawuruk Nabi
    Meungpeung ka anak kukutan

  2. Mun sungkan meureun tetep sugih mukti
    Najan Domba beak
    Lamun aya murangkalih
    Meureun tetep babanda

  3. Sanggeus euweuh murangkalih banda leungit
    Heunteu puguh losna
    Bet hanjakal goréng biwit
    Kiwari kieu rasana

[ 100 ]


  1. Na ka mana Asép téh tuluyna Aki
    Jung susul téangan
    Kitu omong Aki Tamli
    Aki Tamli teu ngajawab

  2. Kocapkeun Nini Aki nu eukeur ceurik
    Raja Erum koco gerwa
    Nu Putri ti Mesir
    Waktu harita teu dahar

  3. Siang wengi ditanggeuy baé ku Gusti
    Éta ku rakana
    Kawantos langkung nya asih
    Ka Sang Putri Purbalintang

  4. }Teu damangna henteu lebet sangu kopi
    Dukun pirang-pirang
    Jempé teu aya nu matih
    Dilandongan ukur senang

  5. Langkung-langkung Raja Erum sumpeg Galih
    Ku gerwa teu damang

[ 101 ]


    Ibu Ramana ti Mesir
    Sadaya pangkat ngalayad

  1. Malah-malah Raja Erum siang wengi
    Teu kulem tirakat
    Neda-neda ka Yang Widi
    Neda gerwa gero senang

  2. Waktu éta Raja Erum langkung prihatin
    Neda ka Pangeran
    Ari dina hiji wengi
    Raja misambat soara

  3. Keur lahirna éta dawuhan nu Gaib
    Éta gero Raja
    Piubareunana pasti
    Tirta Bulayah ubarna

  4. Tapi koar éta landing putrid Mesir
    Kandaning Mataram
    Minyak tala muka yakin
    Kitu Kandana Mataram

[ 102 ]


  1. Ari ieu kanda Cirebon digirit
    Nu kebet carita
    Éta landing putrid Mesir
    Nya éta Tirta Bulayat

  2. Éta kitu ku Raja nu kakupingna
    Raja Rum ngandika
    Tapi salebet nyagalih
    Anu ngomong téh nya saha

  3. Kitu meureun Raja bari alak-ilik
    Seug kaluar lisan
    Garwana Patih Cangkiling
    Jung Patih geura nyiar ubar

  4. Itu ubar Tirta Bulayah sing manggih
    Patih lamun meunang
    Tanwandé di upah nagri
    Kula sérén pajenengan

[ 103 ]


  1. Ngan supaya damang waé ieu putri
    Patih mun teu meunang
    Uwarkeun ka Abdi-Abdi
    Saha baé anu meunang

  2. Carék basa wiwilang baku ngarit
    Anu meunang ubar
    Nya éta nu boga Nagri
    Sakitu lahirna Raja

  3. Pati nyembah geus tutas timbalan Gusti
    Lajeng ka bumina
    Dangdan Kuda geus tarapti
    Dititihan ka paséban

  4. Barang dongkap ka Paséban Radén Patih
    Ka sakabéh Pangkat
    Pangkat gedé pangkat leutik
    Ayeuna timbalan Raja

  5. Pangkat kabéh pada nyiar pala jenggi
    Kudu baé pada meunang

[ 104 ]


    Éta pikeun landing Gusti
    Ménak atawa Somahan

  1. Geus tangtu upahna nya éta nagari
    Kitu dawuh Raja
    Pada walon Abdi-Abdi
    Ti hareup ti pungkur mangga


XVI. Pupuh Pangkur


  1. Pangkat-pangkat geus sadia
    Tunggang kuda sadaya budal ti Nagri
    Anu ngalér anu ngidul
    Aya nu ngulon nu ngétan
    Lalumpatan menak kuring hayang nimu
    Usada keur landing Raja
    Sabab upahna Nagri

  2. Jalma pada popohoan
    Puguh somah sanajan Patih Cangkiling
    Nyandak uang Tujuh rébu
    Pikeunngulikeun néangan
    Ka nu bala disingkaban saban dungus

[ 105 ]


    Lusah sarawuh somahan
    Camat sarawuh patinggi

  1. Ngotéktak ngapruk nu bala
    Wani riab nu kuli ka Radén Patih
    Barudak sarawuh sepuh
    Lebak pasir dikotéktak
    Anu bala dicacaran saban dungus
    Keridan ka budak-budak
    Riab awéwé lalaki

  2. Patih ngungsi saban Tegal
    Sabadana di Tegal Patih berenti
    Barang ningali ka kidul
    Jol sumping Jaka Mursada
    Cék badéga tapi eunggeus salin patut
    Naya Genggong Ardanaya
    Disusumping kembang kuning

  3. Patih cangkiling ngandika
    Budak saha itu kasép-kasép teuing
    Ka Badégana nagdawuh

[ 106 ]


    Badéga ngawangsul duka nya
    Ceuk sawaréh nu ngomong itu sumuhun
    Geus deukeut Jaka Mursada
    Dén Patih jeneng ningali

  1. Jaka Mursada ngandika
    Jalma naon itu Paman loba teing
    Ardanaya seug piunjuk
    Aéh agan geuning nya éta
    Mun teu ningal Patih Cangkiling di Erum
    Patih Rama Agan pisan
    Nya éta Patih Cangkiling

  2. Coba ku Agan tepangan
    Jaka Mursada nepangan ka Radén Patih
    Serta langkung mendo munjung
    Patih Cangkiling ngandika
    Ari Asép asana kakara tepung
    Pun Paman sok hayang terang
    Ti mana nya tuang bumi

[ 107 ]


  1. Sareng nya saha jenengan
    Rék ka mana numawi ka dieu sumping
    Jaka Mursada nyembah matur
    Nuhun Abdi dipariksa
    Ari imah di Nini Tamli di Gunung
    Sim abdi anu diseja
    Rék marek ka Rama kuring

  2. Rehing mendak cariosan
    Raja Erum éta éstu Rama kuring
    Kitu béja urang Gunung
    Ari simabdi nya ngaran
    Loba pisan ka Sim kuring anu nyebut
    Jaka Mursada nya ngaran
    Kitu ngaran Jisimkuring

  3. Ngaranjug patih manahna
    Seug ngandika duh Asép teu nyana teuing
    Radén geus sagedé kitu
    Teu nyana Jaka Mursada
    Puguh enya Asép putra Raja Erum
    Ari ieu Asép saha

[ 108 ]


    Badéga dua nu ngiring

  1. Jaka Mursada walona
    Ari ieu mamang nu ngiring ka kuring
    Ari ngarana Pun Masrut
    Nu hiji deui Badéga
    Ari éta ngarana deui Pun Daud
    Duka teu uninga Kuring

  2. Sinareng kersa mamang
    Damel naon numawi di Tegal linggih
    Patih gumujeng ngadawuh
    Paman diutus Ku Raja
    Rama Asép nyiar landing tuang Ibu
    Ibu Asép heunteu damang
    Tapi weleh heunteu manggih

  3. Ngarana Tirta Bulayat
    Éta kitu sareng saha baé nu manggih
    Dijadikeun Ratu Erum
    Yén kitu dawuh Sang Raja
    Ari ayeuna sumping Asép Paman sukur

[ 109 ]


    Mun lengkep meunang usada
    Paman tangtos suka ati

  1. Sabab Asép putra Raja
    Geus tangtu Asép nu nyepeng Nagari
    Jumeneng Ratu di Erum
    Sareng Asép ayeuna mah
    Kudu baé nyiar landing Tuang Ibu
    Gampil ngadeuheus ka Rama
    Kitu saur Radén Patih

  2. Jaka Mursada ngandika
    Duka teuing ngan pamali sanggup Kuring
    Ayeuna mah mendak rujuk
    Ngadeuheus heula ka Ama
    Walon Patih nya sumangga Asép atuh
    Enggalna bubar ti Tegal
    Radén Patih mundur deui


XVII. Pupuh Durma

  1. Radén Patih kebat mulih sabaladna
    Radén Bagus ngiring Patih

[ 110 ]


    Badéga nu dua
    Ti pandeuri seuseurian
    Ku Patih heunteu katawis
    Yén Ardanaya
    Jeung Ki Naya Genggong deui
    Sabab enggeus ku Agan disalin rupa

  1. Diparin sumping kembang kuning
    Jeung diganti ngaran bet lumayan
    Cayeuga Agan
    Satadina pura Gusti
    Wajib ngawula
    Badéga saruka ati
    Kasugeugkeun lampah

  2. Nu nyamur harita
    Caturkeun Raja di Nagri
    Mangkon nu teu damang
    Kangjeng Raja seug ngandika
    Ka sakur nu di bumi

[ 111 ]


    Lahirna Raja
    Naha teu geura lapor Patih

  1. Bet lalila ku meunang henteuna ubar
    Eukeur kitu jebul Patih
    Sumping ngadeuheus
    Sarawuh Jaka Mursada
    Raja seug ngawauh deui
    Ki Patih meunang
    Unjukan radén Patih

  2. Nun sumuhun teu aya pisan nu mendak
    Ngan manawi putra Gusti
    Ieu Putra téa
    Jenengan Jaka Mursada
    Kitu piunjuk Patih
    Raja ngandika
    Aéh karak Putra kami

  3. Atuh sukur geus gedé Jaka Mursada
    Jeung Ama eunggeus papanggih
    Ieu Ibu Ujang

[ 112 ]


    Teu damang geus lawas pisan
    Henteu lebet sangu, kopi
    Jeung ayeuna Ujang
    Sukur Ama merih pati

  1. Pangnyiarkeun usaha Tirta Bulayah
    Lamun geus meunang téh pasti
    Uajng jumeneng Raja
    Ama Saléh pajenengan
    Teu kitu gé Ujang wajib
    Da kapan Putra
    Sakitu dawuh Gusti

  2. Radén Jaka Mursada nyembah njukan
    Nun mangga pisan Sim Abdi
    Neda jiad Ama
    Sareng pitulung nging Allah
    Raja seug ngandika deui
    Ujang bekelan
    Béré duit tukang konci

  3. Sabaraha baé Tilu ratus peusmat

[ 113 ]


    Kangjeng nyokong tukang konci
    Putus disatuan
    Enggal dén Jaka Mursada
    Ka Rama pamitan indit
    Di padaleman
    Kimasrud Daud digiring

  1. Radén Bagus anu angkat gagancangan
    Badégana suka ati
    Réh nampi bayaran
    Di paparin ti Juragan
    Ngabangor ngomong ngabuih
    Igel-igelan
    Lakadalah boga duit

  2. Lain untung diparin pat pasmat éyang
    Ku Agan dibayar duit
    Eukeur meuli madat
    Adat dewek katebihan
    Ki Masru pok ngomong deui
    Kuring mah Agan
    Keur majeg Ronggéng-ronggéng

[ 114 ]


  1. Sabab kuring kamari enggeus dijangjian
    Parantos bentik pasini
    Doyong papadon
    Enggeus moal meunang tida
    Ngan supaya tahan panggih
    Jeung tahan nanya
    Duka naon atuh geulis

  2. Nu baheula nu kiwari panakawan
    Tabuh bakuna peregih
    Ku anu réa
    Tatapi mungguh di jalma
    Cengar-cengir bari mikir
    Néangan luang
    Daluang anu diaji

  3. Pantes éta daluang tuladan
    Sabab luangna pribadi
    Éta ogé jalma
    Badéga Jaka Myrsada
    Sajeroning cengar-cengir

[ 115 ]


    Mantep pikiran
    Ahirna tangtu kapanggih

  1. Saya éta badéga ngiring Juragan
    Jaka Mursada ngalahir
    Paman Ardanaya
    Uarang ngungsi ka......
    Jawab panakawan ngiring
    Sumangga Agan
    Kangjeng angkat ka Kilisih

  2. Radén Bagus mapay-mapay sisi Sagara
    Néangan landing teu manggih
    Eujeung badégana
    Ardanaya Naya Genggong
    Duanana cengkat buringas
    Jeung pada saged nu dangdan
    Disamping eujeung disabuk
    Geus pada sadia dangdan

  3. Jaka Mursada ngalawi
    Paman hayu urang mapay

[ 116 ]


    Enggalna geus angkat baé
    Diiring ku badégana
    Katingali tina guha
    Putrid nyaur lebet kalbu
    Boa nya éta Satria

  1. Diteuteup disidik-sidik
    Radén deukeut kana duha
    Kumejot manah Putri téh
    Nyaur deui dina manah
    Impian aing nya éta
    Kumaha sangkana tepung
    Ngahagal-hagal mah éra

  2. Heug rék nyipta hujan angin
    Sang Putri kitu manahna
    Énggal nyipta hujan baé
    Ger angin paralakl hujan
    Naya Genggong Ardanaya
    Pada ngomong geus haliwu
    Aéh euleuh Agan hujan

[ 117 ]


  1. Seug ieu hujan jeung angin
    Hayu urang ngariuhan
    Tuh aya guha meledong
    Gancangna lumpat ka Guha
    Ngiuhan ka jero Guha
    Hujan raat Putri nyaur
    Karék nyebut aéh Satria

  2. Gugup nonjol pada bijil
    Lalumpatan gandék dua
    Duh jurig ceuk Naya Genggong
    Pok Ardanaya enya
    Nu lumpat paheula-heula
    Ngomong jurig bisi nyusul
    Ngomong kitu bari lumpat

  3. Nu lumpat patarik-tarik
    Gandék dua teu patinggal
    Lumpat réréntétan baé
    Silih kembing silih tongtak
    Geus heunteu tolih juragan
    Anu lumpat blug-blug labuh

[ 118 ]


    Radén Bagus lumpat

  1. Lumpatna Radén pandeuri
    Nyi putrid nyusul nu lumpat
    Miheulaan megat Radén
    Nu eukeur lumpat ditéwak
    Radén Jaka gegeroan
    Pokna Paman kami tulungnaya Genggong Ardanaya
    Lamina geus Tuju peuting sisi Nagara
    Meuting deui di kilisih

  2. Pada saré tapi sigagkeun heurin
    Aya anu kocap deui
    Sahiji nagara
    Nu ngaran pulo Salaka
    Ari Ratuna téh istri
    Ratna Komala
    Putra Sulaeman Nabi

  3. Ratu istri ari Papatihna buta
    Sarta gedé liwat saking
    Dadana opat geus

[ 119 ]


    Ngarana Jaka Bergola
    Ari baladna Ipri
    Campur jeung jalma
    Éta ngabdi Ratu istri

  1. Ratu istri cariosna Dalang Wayang
    Digjaya kaliwat saking
    Punjul ing papak
    Heunteu aya nu ngungkulan
    Saktina Ratu poé istri
    Ratna Komala
    Kagungan sadérék istri

  2. Sadérékna henteu misah Ibu Rama
    Jenengan Ayi Getrasari
    Ari hiji mangsa
    Getrasari sasaréan
    Eukeur saré putrid ngimpi
    Sumping Ramana
    Wuwuruk ka Getrasari

[ 120 ]


  1. Lebet impian bet meunang satria
    Éta bakal jodo Nyai
    Jenengan Satri
    Éta dén Jaka Mursada
    Kitu dina lebet ngimpi
    Sang Putri gugah
    Heunteu samar nu kaimpi

  2. Gentrasari lajeng calik
    Sajeroning ka juaraan
    Ngamanahan nu kaimpén
    Bari nyaur lebet manah
    Na impian isun riwan
    Atawa enya pituduh
    Kitu putrid ngamanahan

  3. Harita teu saré deui
    Nyandak pasirihan ngalemar
    Ngarongkong nyandak tampolong
    Ngalunjar bari ngamanah
    Ti peuting dongkap ka bereng
    Ari wanci pukul Tujuh

[ 121 ]

    Putrid ti kamar ka luar

  1. Lajeng baé Gentrasari
    Ngadeuheusan ka Rakana
    Ratna Komala marios
    Rai téh rék naon béja
    Ka Aceuk aya kahayang
    Sabab Rai tara kitu
    Ka Aceuk ti sasarina

  2. Tungkul mando Gentrasari
    Gelenyu putrid unjukan
    Nun Aceuk jisimkuring téh
    Bade naroskeun impian
    Dina wengi tadi pisan
    Ku Sim kuring nu kaitung
    Kangjeng Rama nu nimbalan

  3. Ari sajeroning ngimpi
    Miwarang néang Satria
    Sareng éta Satria téh
    Jodo Kuring ceuk impian

[ 122 ]

    Ayeuna bade ditéang
    Rayi nyuhunkeun piwuruk
    Ka mana néanganana

  1. Nu mawi marek Sim Abdi
    Eta téh impian enya
    Ari éta nu kaimpén
    Katingal baé rupana
    Sareng éta badégana
    Duaan geus rada sepuh
    Nya éta badéga Satria

  2. Kitu hatur Gentrasari
    Ratna Komala ngandika
    Mun kitu impian hade
    Rai wajib ditéangan
    Mudu tapa dina Guha
    Aya Gunung deukeut laut
    Nya didinya Rai tapa

  3. Kitu dawuh Ratu istri
    Cedok nyembah Rai angkat

[ 123 ]

    Gentrasari sup ka Pangkeng
    Dangdan nyisiran dilisah
    Ngadadak heula diwedak
    Geus parantos Gusti lungsur
    Putrid ngawang-ngawang

  1. Diluhur seug alak-ilik
    Ningalian kana Guha
    Gunungna enggeus katémbong
    Gentrasari ngadasaran
    Lajeng asup kana Guha
    Dina Guha semu nu nyumput
    Tapa heunteu sasauran

  2. Radén Bagus catur deui
    Eukeur saré kabeurangan
    Badégana ngajawab

  3. Wah Agan mah kajeun teuing
    Wah Agan mah kajeun teuing
    Top baé lebok siluman

[ 124 ]

    Ngan supaya ulah déwék
    Kitu omong badégana
    Sarta éta bari lumpat
    Teu ditotoh deui cumeluk
    Kawantos Radén Nonoman



XVIII. Pupuh Sinom


  1. Gentrasari seug ngandika
    Aéh Satria lieuk kuring
    Radén Bagus nu keur lumpat
    Heunteu kersa ningali
    Manahna geus tangtu jurig
    Pantes tacan mentér maksud
    Nurut ka omong badéga
    Ngadégdég bawaning risi
    Gentrasari muntangan bari ngandika
  2. Ari kasauranana
    Satria kuring nibali
    Da Kuring téh lain sétan
    Ngan anu keur tapa kuring
    Napaan anjeun pribadi

[ 125 ]

    Sanglan anjeun jeneng Ratu
    Mun teu ningan moal enya
    Jaka Mursada ningali
    Barang rét gé putrid geulis leuwih éndah

  1. Kumejot Jaka Mursada
    Ningali ka Gentrasari
    Era pabaur jeung pale
    Ari basana mah isin
    Dideukeutan Radén nyingkir
    Dipaju baé dirungrum
    Radén dicandak tanganna
    Dijembél bari diciwit
    Sinatria kakara nyium harita

  2. Putri ngalieus méréan
    Imutna bari ngalahir deuh tadi mah geuning engkang
    Henteu kersa ningali
    Ayeuna nyium ka kuring
    Kawas nu geus lawas wawuh
    Mun teu di titah teu suka
    Bongan bet nyium ka kuring

[ 126 ]


    Radén walon akan nambaan kaéra

  1. Sinareng akang rék nanya
    Nyai ti mana nya bumi
    Sareng saha nya jenengan
    Nu matak di Guha calik
    Saha Ibu Rama Nyai
    Jeung aya di luhur Gunung
    Gentrasari heug haturan
    Ari imah jisim kuring
    Tebih pisan ti Nagri Pulo Salaka

  2. Ari dipariksa ngaran
    Getrasari ngaran Kuring
    Putra Nabi Sulaeman
    Dina Guha sotéh Kuring
    Nya engkang anu dianti
    Sabab ngider sisi laut
    Engkang naon dimanah
    Hayang terang jisim kuring
    Putra saha sareng saha nya jenengan

  3. Jaka Mursada ngandika

[ 127 ]


    Jadi kitu kersa Nyai
    Ari engkang nu diseja
    Nyiar tambah anu gering
    Mapay sagara Kilisih
    Dongkap ka Gunung teu nimu
    Néangan Tirta bulayah
    Ari ngaran engkang Nyai
    Ceuk nu nyebut Radén Mas Jaka Mursada

  1. Engkang téh amamah Raja
    Lamun percaya mah Nyai
    Gentrasari heug haturan
    Ayeuna mah ka Sim kuring
    Kedah kersa ngiring kuring
    Engkang tangtu jeneng Ratu
    Lamun Engkang teu kersa
    Geus hamo jeneng dipati
    Ari landing sumangga urang néangan

  2. Sakitu putri lahirna

[ 128 ]


    Radén Bagus walon deui
    Gampang gaduh pamajikan
    Tobat Engkang lain nampik
    Ngan éta nu jadi piker
    Hayang meunang landing Ibu
    Nu ngarana Tirta bulayah
    Sukur lamun meunang Nyai
    Tangtu Engkang asup kana sisindiran

  1. Dibawa sasamak pandan
    Anggelan ku pangarih
    Meureun disasar dirampa
    Anu bagel dikurihit
    Nyi Putri ngajembél pipi
    Ngadelék imut sumahur
    Usada Tirta Bulayah
    Saenyana dulur kuring
    Anu gaduh di Nagri Pulo Salaka

  2. Lalampahan Tilu Bulan
    Jauhna tina Kilisih
    Sumangga téang ku Engkang

[ 129 ]


    Tapi mun keur Saka Kuring
    Jaka Mursada ngalahir
    Sukur Nyai lamun kitu
    Tan Wandé Nyai ditikag
    Gerwa engkang lahir batin
    Tapi engkang di Nagara Pulo nikah

  1. Ku Abdi tangtos tarima
    Ngaken Gerwa ka abdi
    Parantos ngaken geureuhan
    Sareng ieu anggo Ali
    Kasiatna ieu Ali
    Mun kaduruk moal tutung
    Lamun jalan ka sagara
    Mo anggo di jero cai
    Radén Bagus geus narima lelepén jimat

  2. Seug deui putrid haturan
    Engkang kuring amit balik
    Jaka Mursada ngandika
    Na kumaha Engkang Nyai
    Walon Putri Gentrasari

[ 130 ]


    Mangga Engkang geura susul
    Putri lajeng ngawang-ngawang
    Muluk ka Gandé Wiyati
    Gentrasari langkung luhur pangapungna

  1. Basa kaganda satengah
    Wiyati tangahir langit
    Dongkap ka Pulo Salaka
    Dén Bagus masih ningali
    Tanggah baé alak-ilik
    Bari nyaur lebet kalbu
    Nyata istri sakti enya
    Kitu Radén lebet Galih
    Badégana nyampeurkeun bari Seuseurian

  2. Bari ngomong reuwas nya Gan
    Sugan téh jurig nu tadi
    Boro urang reuwas pisan
    Lamun nyana putrid geulis
    Tina Guha moal bijil
    Pok Naya Genggong nya kitu

[ 131 ]


    Ari carék Ardanaya
    Najan katénjo nu geulis
    Meureun nyingkah tapi bari humandeurar

  1. Minangka Cépot Déwala
    Geus montong panjang dikurit
    Urang bujengkeun carita
    Dén Bagus rék nyusul Putri
    Enged manah ngajalingjing
    Bingung teu aya Parahu
    Jeung henteu terang lebahna
    Ka Nagara Gentrasari
    Geus ngahuleng Radén henteu sasauran

  2. Ardanaya pok unukan
    Aéh Agan ka pengker teu éling
    Basa ngusu téa agan
    Meunang luk rék dipeuncit
    Henteu cios sabab jangji
    Omongna iwak minayu
    Agan mun aya kasusah
    Geuning pokna saur kuring

[ 132 ]


    Kitu geuning omongna lauk ka Agan

  1. Kitu pihatur badéga
    Jaka Mursada ngalahir
    Enya karaman téh Paman
    Kaula bet poho deui
    Lajeng baé napak cai
    Sertana bari sumahur
    Jeung minayu manah datang
    Buru-buru ieu aing
    Eukeur kitu nyuruwuk lauk jol datang

  2. Sarta ngomong kawas jalma
    Ari pokna ieu Abdi
    Gusti naon nu dimanah
    Mawi nyaur téh ka Kuring
    Jaka Mursada ngalahir
    Manah nu matak disabur
    Kami téh aya kasusah
    Arék nyusul Gentrasari
    Sabab jauh jeung teu nyaho dilebahna

[ 133 ]


  1. Ngara pulo salaka
    Jeung susahna jalan deui
    Tumpak kapal heunteu aya
    Parahu pon kitu deui
    Sakitu kasusah kami
    Ngawangsul iwak Minayu
    Gusti montong kasusahan
    Sumangga tunggangan Abdi
    Najan nyandak réncang sawidak sumangga

  2. Mun palay nganbah Sagara
    Kitu omong lauk cai
    Jaka Mursada ngandika
    Teu loba batur mah kami
    Da ngan ieu Dua siki
    Najan kana Tujuh hulu
    Nu ka pengker diantian
    Ayeuna Gusti bet sumping
    Sukur Abdi eukeur diantian pisan


XIX. Pupuh Kinanti [ 134 ]


  1. Radén nitah tonggong lauk
    Badéga Patih rarigil
    Aringgis reugreug di tengah
    Lauk Minayu ngomong deui
    Aéh Paman masing percaya
    Kan geger nyekel sing tarik

  2. Jaka Mursada seug nyaur
    Na da sesah Paman geuning
    Geu tumpak gendek nu dua
    Lauk geus ka tengah deui
    Ngocépat lauk geus lumpat
    Tarikna lir Kapal Api

  3. Radén Bagus nu ti payun
    Ardanaya liweuh risi
    Muntang pageuh ka Juragan
    Ari Naya Genggong deui
    Nyekelan ka Ardanaya
    Peureum beunta kawas itik

  4. Lampahna iwak Minayu

[ 135 ]


    Tarik batan mimis bedil
    Ngocépat lir Kuda lumpat
    Munggah angina ngiliwir
    Nyorang arang-arang nyimpang
    Nembag lambak ombak cai

  1. Parental ningali Gunung
    Jaka Mursada ngalahir
    Minayu ieu Pulo na
    Lauk wangsul lain Gusti
    Lar deui Pulo kaliwat
    Manggih deui Pulo hiji

  2. Mariksa deui Dén Bagus
    Walon lauk lain Gusti
    Nagara Pulo Salaka
    Ti Erum kalangkung tebih
    Lalampahan Tilu Bulan
    Kahalangan Tujuh Nagri

  3. Pulo na éta sakitu
    Mun palay ununga Gusti

[ 136 ]


    Tebih Pulo Salaka
    Kahalangan Pulo deui
    Ari Pulo nu kaliwat
    Keeling mandera manjét

  1. Ari anu loba Gunung
    Nya éta Pulo manjét
    Ari Pulo Salaka manah
    Éta loba Gunung deui
    Lauk ngomong bari lumpat
    Henteu eureun beurang peuting

  2. Gancangna iwak Minayu
    Ka Pulo Salaka tepi
    Lalampahan Tilu Bulan
    Ngan dijieun Tilu peuting
    Lauk pok deui haturan
    Mangga ayeuna mah Gusti

  3. Abdi eureun Gusti lumpat
    Tina tonggong jisim Abdi
    Nya ieu Pulo Salaka

[ 137 ]


    Mangga geura ka Nagari
    Jaka Mursada ngandika
    Atuh eureun téh ka sisi

  1. Sigeukeun iwak Minayu
    Keur eureun di sisi cai
    Kocapkeun Pulo Salaka
    Anu kagungan Nagari
    Ratna Kombali nimbalan
    Ka Jaka Bergola Patih

  2. Ari Dapu Ratu aya
    Coba ayeuna Ki Patih
    Mudu ideran Nagara
    Saantero pék ku misi
    Bisi aya kuma onam
    Jalma anu arék maling

  3. Boh bisi aya nu ngamuk
    Nu matak kudu kumisi
    Béjana aya jalma
    Nyarokotan budak leutik

[ 138 ]

    Éta Patih lamun enya
    Cekel baé ku Ki Patih

  1. Mun enya aya nu kitu
    Éta pitnah ka Kami
    Duméh Kami Ratu Bikang
    Jeung deui ayeuna Patih
    Nu matak mudu dironda
    Bisi aya anu gering

  2. Ka Kami menta jajamu
    Moal kungsi mula meuli
    Eujeung éta kudu Ujang
    Mudu mindeng ronda
    Patih saya nu sok maling uang
    Nya éta kénéh nu nyangking

  3. Ari anu nomer Satu
    Teu dironda ku Patih
    Nya éta Tirta Bulayah
    Éta larangan Kami
    Mun lunta lantu kadinya

[ 139 ]


    Jalma dihukum geus pasti

  1. Kajeun uang samiliun
    Upama aya nu maling
    Jeung euweuh éta mah jimat
    Nu kemit sing ati-ati
    Buta kombari kombara
    Ulah talobéh nu kemit

  2. Kitu dawuh Ratu nu Ayu
    Patih matur mangga Gusti
    Patih indit seug ka luar
    Ti bumi Ratu Pawetri
    Patih kebat ka paséban

  3. Hareugeuh Patih ngadawuh
    Nimbalan ka Pangkat leutik
    Aéh sakabéh pangkat-pangkat
    Ayeuna timbalan Gusti
    Sakabéh mudu ngaronda
    Ider sakudeuweung Nagari

[ 140 ]


  1. Lamun aya nu ngalantung
    Tangtu aya nu rék maling
    Tango barogod talian
    Sanggakeun misti ka Nagri
    Jeung mawa balad gagaman
    Ponggawa sami caricing

  2. Jeung ronda nu tungtung gardu
    Ku usar jeung perjurit
    Saban parapatan cagak
    Kudu pada ati-ati
    Dén patih cangkar ngaronda
    Diiring ku Pangkat leutik

  3. Sigag anu tunggu gardu
    Radén Bagus catur deui
    Nu ti cai hanjat ka darat
    Rapuh badégana deui
    Naya Genggong Ardanaya
    Ti pungkeureunana ngiring

[ 141 ]XX.Pupuh Pangkur



  1. Jaka Mursada geus bacat
    Mendak jalan disapu lenang
    Sisi jalan rantuy Manggu
    Buahna hideung arasak
    Naya Genggong jeung Ardanaya pungkur
    Pada ngomong euleuh buah
    Itu geus arasak teuing

  2. Naha bet heunteu di ala
    Urang dieu mah tayohna heunteu bareuki
    Atawa darusun kitu
    Teu nyaho dibuah ngeunah
    Pok Naya Genggong urang ala Aka hayu
    Matak nyeuri beuteung boa
    Ardanaya mipit hiji

  3. Pok Ki Naya Genggong nyempad
    Tah Aka mah kapan nyarék geuning mipit
    Ki Ardanaya ngawangsul
    Mangkaha ngala hiji mah
    Mipit deui bari sungutna sambutut
    Naya Genggong mah nyengkata

[ 142 ]


    Geus heunteu tatapasini

  1. Diluhur enyoh ngakanan
    Wani inggoy dititah ku anu kemit
    Naya Genggong henteu turun
    Anu kemit ngahaokan
    Pokna saha éta wani kitu
    Naya Genggong pok ngajawab
    Nu ngala Manggu tadi aing


  2. Naha dicarék ku sia
    Naya Genggong turun bari sungut emih
    Aing mah néangan Manuk
    Biwir bari disusutan
    Pokna sia bet nuding teu pupuguh
    Aing ngaliwat mah enya
    Nunjuk-nunjuk anu kemit


  3. Nu kemit rosa nyarékan
    Urang mana sia Pati cilimit
    Anu tunggu bijil napsu
    Ngancunan yeuh urang mana

[ 143 ]

    Wani-wani ngala sorangan Sang Ratu
    Naya Genggong ngaléléwéan
    Ngajogét bari ngirindil

  1. Anu kemit ngagoroan
    Ka baturna pada kagaét kabéh nu kemit
    Baturna geus pada muru
    Ki Naya Genggong iyatna
    Ardanaya cingogo jeung Radén Bagus
    Teu pisan rajeg manahna
    Burubul nu kemit ngusir

  2. Marawa cagal jeung Tumbak
    Lima puluh sawaréh mawa gegendir
    Eujeung Naya Genggong tepung
    Gawéna keur jogédan
    Eujeung Emih heunteu kandeug nyatu Manggu
    Anu kemit pada nanya
    Aéh urang mana silaing

  3. Wani-wani ngala buah

[ 144 ]


    Eta weuteuh sotéh éstuning rarangan Gusti
    Enya kula ngala Manggu
    Itu piwarang ku Agan
    Agan déwék éta putra raja Erum
    Nu matak kadieu datang
    Nyiar tambaan gering

  1. Nu ngaran Tirta Bulayah
    Eta kitu nya déwék nu ngiring
    Na sialaing hayang Manggu
    Nu Lima puluh ngajawab
    Ieu jalma nu Tilu hayang hirup
    Bet rék mawa jimat Raja
    Maling Manggu gé dipeuncit

  2. Nahan ngaku Pun Raja
    Tapi ayeuna dihampura ku Kami
    Ka Nagara ulah asup
    Eunggeus tangtu dibabandan
    Eta kitu ceuk jalma nu Lima puluh
    Jaka Mursada ngandika
    Bari indit sangkal singkil

[ 145 ]

  1. Bét aing rék dibabandan
    Coba karép ku sakabéh awak aing
    Bon kakara lima puluh
    Geura sok tambah salaksa
    Henteu gimir kitu saur ratu Radén Bagus
    Ari carék Ardanaya
    Geus montong juragan aing

  2. Teu baé badegana
    Coba tangkep lamun beunang téh nya leuwih
    Carék badegana kitu
    Buncelik anu mégatan
    Montong meunang digigila tangkép batur
    Geus memang égol bangsat mah
    Nya lancing nya kumawani

  3. Nu rék nangkép ngudar tambah
    Ardanaya nyerang jébrod nampiling
    Keur guyur nu lima puluh
    Diamuk ku Ardanaya

[ 146 ]

    Ting jaropak unggal garduh pada muru
    Ku Naya Genggong dilawan
    Nu nampiling tarik teuing

  1. Ari nampiling ku kenca
    Sakur anu katampiling utah getih
    Jul jol nu ngaronda tepung
    Jeung patih Jaka Berkala
    Seug ngandika ngahareugeuh kadi maung
    Aeh satria urang mana
    Torojogkeun tanpa wani

  2. Manéh asup ka nagara
    Patih buta sertakumalayu ngalahit
    Bésar ati urang bagus
    Tidak takut sama gua
    Orang mana lekas goré buka mulut
    Lékas pacalang ambil tambang
    Ini orang mu mencuri

  3. Jaka Mursada ngandika
    Aeh denawa anu matak aing wani

[ 147 ]

    Lain lantung tambuh laku
    Lumayan aya pangarah
    Mun teu nyaho nya aing putra Raja Erum
    Nya ngaran Jaka Mursada
    Rék nyiar tamba nu géring

  1. Nu ngaran tirta Bulayah
    Anu boga bejana Ratu pawasir
    Ari kula rék cacaluk
    Mikeun teu mikeun rék ménta
    Éta kitu Jaka Bergola nu keur napsu
    Ngomong bari ngajajagang
    Hag sia beuweung ku aing
    Ponggawa para gegeman

  2. Coba cekél ieu satria mencuri
    Bét rék ménta jimat Ratu
    Patih sakitu saurna
    Radén Bagus ku gegeman geus diképung
    Sét mésat duhung pusaka
    Wasiat ti Nabi Hidir

[ 148 ]

  1. Lajeung diamuk gegeman
    Patulayah nu paeh patumpang tindih
    Kesis métu géni hurung
    Nu ka hiji paeh lima
    Radén Bagus pangamukna enggeus liwung
    Balad patih ampi béak
    Patih maju gadag-gidig

  2. Dilawan ku Ardanaya
    Bareng tepung digebah ku buta patih
    Ardanaya tipecat jauh
    Buringas barina hudang
    Ardanaya tambah napsuna nyuruntul
    Ki Naya Genggong narajang
    Ka buta géplék nampiling

  3. Jaka Bergola malikan
    Datang deui Ardanaya bék nampiling
    Patih malik tuluy maju
    Naya Genggong jol ti tukang
    Sor narajang bari narik gobang lubuk

[ 149 ]


    Dikadék patih teu teurak
    Dipindo dibulak-balik

  1. Ki Ardanaya narajang
    Gep ditewak ku Jaka Bergola patih
    Dibalangkeun henteu jauh
    Cengkat deui Ardanaya
    Langkung napsu Jaka Bergola ditumbuk
    Geus ngahuleng patih buta
    Punduran henteu éling


XXI. PUPUH DURMA


  1. Barang éling Jaka Bergola ngarumpan
    Ardanaya geus caringcing
    Dirontok ku buta
    Ardanaya nyingcét nyepak
    Naya genggong muru deui
    Buta malikan
    Ka Naya Genggong nampiling


  2. Naya Genggong tibalik nangkarak bengkang
    Ku buta tuluy diirik

[ 150 ]

    Muru Ardanaya
    Geus landus buta ngajewang
    Ardanaya geus kacangking
    Ku Patih buta
    Negagurinjal tiba usik

  1. Nu digégél Naya Genggong gegeroan
    Jaka Mursada ningali ka kulon ka wetan
    Ningalian lawan perang
    Anu lumpat gila ku keris
    Teu kuat perang
    Nu lumpat gila ku keris
    Radén Bagus ngarérét ka badegana

  2. Dikeukeuweuk ku buta patih
    Genggong Ardanaya
    Dicekélan pageuh pisan
    Pun genggong digégél ngunci
    Jaka Mursada
    Narajang jeung ngagém keris

  3. Buta ngegel ku Radén Jaka Mursada

[ 151 ]

    Leungeun sukuna dikeris
    Parotong sukuna
    Buta lepat gugulingan
    Patihna Ratu Pawéstri
    Baruntung buta
    Gugulingan rék lapor patih
    Kacaturkeun Ratu di Pulo Salaka

  1. Sang Ratu Tata Dewi
    Mariksa ku emban
    Naon embank rarameuan
    Sada béndé éta nitir
    Ramé nu surak
    Kawan anu perang jurit

  2. Emban matur nun sumuhun duka agan
    Simkuring teu nguping warti
    Kinten nu ngaronda
    Agan patih ngepung bangsat
    Moal enya nu perang jurit
    Piunjuk emban
    Bareng keur kitu jol patih

  3. Gugulingan kuat ngadeuheus ka raja

[ 152 ]

    Kaget ningali sang Dewi
    Ngagerem ngandika
    Patih bareng ngadeuheus
    Dawuh aeh na kitu patih
    Patih doraka
    Atawa kunaon patih

  1. Patih matur nun gusti abdi téh tiwas
    Jisim abdi perang jurit
    Asal naang satria
    Digjaya punjuling papak
    Numawi ruksak sim abdi
    Kawon juritan
    Karék juritan
    Karék nyebut jaka patih

  2. Lajeung baé paéh patih Jaka Bergola
    Reup genek putrid ningali
    Barina susumbar
    Aéh satria ngalalana
    Teu nyahoeun aing sakti
    Satria mana
    Asup kadieu wani-wani

[ 153 ]


  1. Kebat saged sang Ratna Dewi Komala
    Sakedap Sang Narpati
    Lungsur ti bumina
    Bari nyaur ka baladna
    Jol dating balad ipri
    Di awang-awang
    Ratu istri ngagung deui

  2. Geus ngalayang ti luhur nilik ka handap
    Den Mursada katingali
    Sang Ratna Komala
    Ngahayukeun ka baladna
    Geus riab balad ipri
    Jaka Mursada
    Ngagem keris metu geni

  3. Pada mundur ipri teu wani nyorang
    Semu ajrih ningal keris
    Matur ka Ratuna
    Abdi henteu wantu nyerang
    Ratna Komala ngalahir

[ 154 ]


    Éta satria
    Rék dibongohan ku sing

  1. Rék digebrag lamun kuateun gagah
    Kitu lahirna sang Dewi
    Barina ngalayang
    Tuluy ngagegel Mursada
    Jaka Mursada teu eling
    Labuh ngalungsar
    Ratna Komala ngalahir

  2. Ari pokna satria téh tei pira
    Karék digeblas ku aing
    Sia kokosodan
    Mun enya sia téh gagah
    Jung geura hudang deui
    Jeung aing lawan
    Kitu sahur Ratna Dewi

  3. Ardanaya Naya Genggong muru kangjeng
    Serta pada creurik
    Ngomong duanana

[ 155 ]


    Ari pokna duh agan
    Sing eling ka Nabi Hidir
    Wasiat eyang
    Raden Bagus enggeus lilir

  1. Ngalayang nampiling deui
    Rden Kapidara
    Ngomong deui badegana
    Aeh agan jeung masing eling
    Ka tuang eyang
    Cengkat bari narik keris

  2. Ratna Dewi ningali keris seber manah
    Sang Putri ngabat ka bumi
    Raden Bagus ngadek
    Ratna Dewi nyandak pedang
    Pedang kangkang besi kuning
    Bareng dék angkat
    Sumping putrid Gentrasari

  3. Deuk dicekel rakana Ratu Komala
    Bari nyaur Gentrasari
    Aceuk mun kitu mah

[ 156 ]


    Kuring mun kitu mah
    Kuring baé mangga pedang
    Kitu sahur Gentrasari
    Ratna Komala
    Gumujéng ngalahir masi


XXII. PUPUH DANGDANGGULA


  1. Naha kitu kasahuran rai
    Bét megatan jeung ménta dipedang
    Bela kawas ka caroge
    Ku Aceuk arék dibunuh
    Ku sabab karengeng teuing
    Gentrasari ngawalonan
    Ah Ceuk ulah kitu
    Dipedang kami hamo teurak
    Sabab itu ngagem keris matu geni
    Disorang aceuk cilaka

  2. Enya benar sinatria sisip
    Anu.... Éta sisip ti heula
    Éta ngabeyoan baé

[ 157 ]


    Sareng nyarios kapungkur
    Basa nyarioskeun ngimpi
    Aceuk palay uninga
    Éta putra Erum
    Jenengan Jaka Mursada
    Anu bade éta téh salaji rai
    Maksadna neangan tamba

  1. Tapi aceuk pihatur simkuring
    Kitu soteh lain ngagigila
    Pedah salaki kuring téh
    Upami akang dibunuh
    Geus tangtu aceuk balahi
    Sabab akang ngagem jimat
    Itu margi duhung
    Pedang kangkam hamo teurak
    Sabab duhung wasiat ti Nabi Hidir
    Éta Ratu ning pakarang

  2. Balad aceuk sakabeh ipri
    Teu wani neutaya sanes ti éta
    Da lamun akang téh lengoh
    Ku balad basa dikepung

[ 158 ]


    Sok sageuy henteu kacangking
    Sanajan nu gagah rongkah
    Da teu bisa ngapung
    Tangtu beunang dirageman
    Éta kitu sareng simkuring salaki
    Tur ka aceuk sareng raka

  1. Eta kitu pihatur simkuring
    Henteu tega ka aceuk ka engkang
    Ratna Komala ngawalon
    Aéh rai karah kitu
    Kutan téh rakana rai
    Naha tu henteu nyarita
    Lamun nyana kitu
    Nya iyeu ari ayeunan mah
    Aceuk terang kangen ka caroge nyai
    Leuwih cocog aceuk manah

  2. Atuh geuwat urang téh Nyai
    tuang raka haturanan lenggah
    Napsuna mah negur baé
    Miwarang cacawis saur
    Sinareng masang cikopi

[ 159 ]


    Sina lenggah tuang raka
    Aceu kudu ma'lum
    Kajeun rék malik ngaula
    Ieu aceu gerwa anu sepuh Nyai
    Nu anom gerwa cikalna

  1. Kitu sahur rai Natadewi
    Gentrasari pihatur sumangga
    Aceuk gerwa anu anom
    Rai gerwa anu sepuh
    Gentrasari barina seuri
    Ngawalon Ratna Komala
    Bari nyawel susu
    Geuwat geura haturanan
    Tuang raka Gentrasari males nyiwit
    Ocon semu anu silih gonjak

  2. Gentrasari gumujeng jeung indit
    Raden Bagus rawuh badegana
    Ardanaya Naya Genggong
    Raden henteu lepat duhung
    Ari jebul Gentrasari

[ 160 ]


    Kuat ngasupkun duhung
    Aéh haturan nuhun
    Ari kakara nepangan
    Na ka mana walon putri Gentrasari
    Kuring ningal lampah engkang

  1. Enggal baé engkang kedah linggih
    Ratupasrah salamahan seja
    Bade nyanggakeun karaton
    Jiwa ragana sakujur
    Sumeja rék malik ngabdi
    Radén bagus enggal angkat
    Bus asup
    Nanging aya panuhun
    Kedah dipihukum
    Ayeuna dipinggir lenggah
    Enggal pisan kedah kairing ku abdi
    Raden Bagus lajeng angkat

  2. Sup ka bumi Raden Bagus calik
    Geus satata jeung Ratna Komala
    Gentrasari calik mendo

[ 161 ]


    Ratna Komala munjung
    Sareng barina ngalahir
    Kuring hatur pertobat
    Wireh culangung
    Kurang budi lancing
    Henteu nyentak ka caroge Gentrasai
    Gumujeng Jaka Mursada

  1. Gentrasari mendo jeung ngalahir
    Ka rakana simkuring ayeuna
    Ku aceuk mudu dileler
    Neda titinggal karuhun
    Kuring aceuk neda waris
    Sabab tunggal ibu rama
    Henteu misah ibu
    Sanajan sagede muncang

  2. Banda kolot misti duakeun sareng abdi
    Nu ngaran Tirta Bulayah
    Kudu baé kuring dipaparin
    Pikeun engkang landing nu teu damang
    Sakitu nu diteda téh

[ 162 ]


    Ratna Komala ngawangsul
    Nya bener sukur
    Kahayang aceu kumaha
    Kapan terang ku raka lamun dikawin
    Ulaban Tirta Bulayah

  1. Cacak éta raka mundut Nyai
    Nya sumangga bét mundut Nyai
    Sabada aceuk mangga baé
    Kapan kitu nya panuhun
    Pihatur Sang Gentrasari
    Ayeuna sumangga engkang
    Jisimkuring wayuh
    Jeung Aceuk Ratna Komala
    Tapi aceuk kumaha parentah rai
    Kana sagala aturan

  2. Sabab aceuk guru nu pandeuri
    Eta kitu raden enggal nikah
    Geus henteu panjang carios
    Ratna Komala dicanduk
    Rawuh rai Gentrasari

[ 163 ]


    Ku Rden Jaka Mursada
    Sareng Nyai Ratu
    Geus nyerenkeun pangjenengan
    Sabaladna sadyang geus sami ngabdi
    Ka Raden Jaka Mursada

  1. Pada seba sabaladna ipri
    Sakabéh jin seba ka ratuna
    Dumeh kagungan caroge
    Sadayana sami taluk
    Jin ipri geus pada ngabdi
    Ratna Komala ngandika
    Engkang mangga pundut
    Perkawis Tirta Bulayah
    Kanu tunggu ngaran Kumbara Kumbari
    Buta anu tunggu jimat<l/i>
  2. Tempatna téh dikubéng ku beusi
    Jero gunung engkang ti nagara
    Lalampahan tilu poé
    Ari kuring anu mundut
    Hamo mikeun buta Kombari

[ 164 ]


    Kuring geus henteu kawasa
    Geus henteu jeneng ratu
    Ratna Komala ngadoja
    Pang kituna Jaka Mursada ngalahir
    Nya ku manéh baé engkang
    Raden Bagus geus lungsur ti bumi
    Enggal angkat rawuh badegana
    Ardanaya Naya Genggong

  1. Kocapkeun éta nu tunggu
    Buta Kombara Kombari
    Henteu pisan diwartosan
    Wantu jero gunung
    Yén ratuna carogean
    Raden Bagus harita ka dinya sumping
    Ku buta dua dipecat


XXII. PUPUH MAGATRU


  1. Ngajajagang éta buta anu tunggu
    Buta nénjo panon buncelik
    Kawas getuk wani hurung

[ 165 ]


    Buukna gimbal curiwis
    Bangusna jeblah geus bareng

  1. Bareng sumping Raden Bagus mundur maju
    Ka badegana ngalahir
    Pék paman tiheula maju
    Kaula anu pandeuri
    Pok haturan Naya Genggong

  2. Agan naha angkat téh bét mundur maju
    Keun atuh tiheula abdi
    Jaka Mursada ngawangsul
    Lieun sieun paman kami
    Ngan ieu ku bau badot
    Deukeut komo jauh ogé geus bau hangru
    Seug angkula ti pandeuri
    Ardanaya jeung pihatur
    Agan tuh di dieu linggih
    Abdi baé jeung si Genggong

  3. Ardanaya jeung Nya Genggong geus mangkat
    Den Jaka Mursada nganti

[ 166 ]


    Ardanaya gok patepung
    Eta jeung buta Kombari
    Buta ngomong poporongos

  1. Arek naon sia téh patih culumun
    Ardanaya nembal beusi
    Paman aing utusan ratu
    Réh nyokot jimat dipusti
    Ku Ratu arek dianggo

  2. Eukeur landing gerwana raja Erum
    Nu matak kadieu aing
    Buta ngomong deleh batur
    Teu manusa mencuri
    Baku bohong bisa ngomong

  3. Hayu tangkép urang sanggakeun ka ratu
    Ardanaya sangkal singkil
    Bari ngomong aéh bedegul
    Sia rék nangkep ka aing
    Ku aing sia dicabok

  4. Geus teu tata gebrug buta ngagarugut

[ 167 ]


    Ku Ardanaya dibanting
    Buta Kombari blug labuh
    Baturna narajang deui
    Dilawan ku Naya Genggong

  1. Jeung Kombara silih banting silih tumbuk
    Pada jieun gelut tanding
    Jeung Kombara eleh segut
    Ngan eleh pinter Kombari
    Tutubruk reujeung ngarekot

  2. Ardanaya Naya Genggong sami weduk
    Buta dua ngegel ngunci
    Katingal ku Raden Bagus
    Raden Bagus alak-ilik
    Dumadak manggih popongkol

  3. Kayu gordah dua popongkol keur mentur
    Buta nu keur ngegel ngunci
    Ku Raden Bagus dibentur
    Meder kana pukhu ceuli
    Lepot ngegel ngagoloyoh

[ 168 ]

  1. Duanana buta pada ngarumpuyuk
    Jaka Mursada ngalahir
    Pék paman geura belenggu
    Ardanaya nyokot tali
    Ras eling buta ngaromong

  2. Ari pokna aduh gusti kuring ampun
    Naya genggong ngomong gesit
    Seug sia bét make ampun
    Sia bakal dikabiri
    Kitu carek Naya Genggong

  3. Aden Bagus malebu ka gunung asup
    Ku badegana diiring
    Tirta Bulayah ti luhur
    Kumeclak kalangkung bening
    Ku Raden Bagus diwartosan

  4. Wawadahna geus aya di dinya baku
    Geden lamun ditanding
    Ngan sagede nyupu tanduk

[ 169 ]

    Mun ayeuna buli-buli
    Kandaning carios

  1. Raden Bagus kaluar ti jero gunung
    Sareng nyandak buli=buli
    Jaka Mursada ngadawuh
    Eta Kombara Kombari
    Bawa ka nyai sing jogok

  2. Raden enggal geus mulih ti gunung
    Badegana ti pandeuri
    Buta dua henteu kantun
    Tapi Kombara Kombari
    Leungeunna mah dibarogod

  3. Di jalan geus henteu bareng picatur
    Kocap sumping ka nagari
    Mangga putri dua muru
    Ngarendeng nu dua putri
    Ninggal kasmaran nu bogoh


XXIV. PUPUH ASMARANDANA


[ 170 ]

  1. Jaka Mursada nu sumping
    Sup asup ka padaleman
    Rapuh badegana kabeh
    Ari Kombari Kombara
    Masih keneh ditalian
    Sang Putri ningali imut
    Sareng nyaur jero manah

  2. Ari nyaurma Nyi putri
    Dina salebeting manah
    Keur kasep menter wawanen
    Bukti Kombari Kombara
    Bét munggah bisa kabandan
    Cacakan aing ngaratu
    Teu wani titilar ama

  3. Umurna ti jaman Nabi
    Sulaeman nya didinya
    Tah sakitu laasna téh
    Nugguan Tirta Bulayah
    Tegesna Cikahuripan

[ 171 ]

    Ratna Komala pihatur
    Ka Raden Jaka Mursada

  1. Nu engkang éta Kombari
    Sareng Kombara dibanda
    Naon éta margina téh
    Jaka Mursada ngandika
    Éta nu matak dibanda
    Kombara Kombari ngamuk
    Ngoretkeun Tirta Bulayah

  2. Ayeuna kumaha rai
    Dilaan atawa moal
    Sabab kitu dosana téh
    Ratna Komala haturan
    Ayeuna mah engkang
    Jisimkuring bade nunuhun
    Hampura baé ayeuna

  3. Murasada ngalahir deui
    Pék laen éta talina
    Udar ku Naya Genggong

[ 172 ]

    Buta Kombari Kombara
    Bandana geus dilaanan
    Ku Ratu buta piunjuk
    Gusti abdi henteu terang

  1. Yén rakaan kangjeng gusti
    Di nagara raramean
    Patih henteu nyaho paeh
    Kitu buta nyarita
    Ratna Komala ngandika
    Ayeuna maneh ngaratu
    Ka Raden Jaka Mursada

  2. Ari patih anu mati
    Di nagri Pulo Salaka
    Mudu diganti ku manah
    Ngaran Kombari Kombara
    Nagara anu kagungan
    Raden Bagus putra Erum
    Bakal nunggu garhadu

  3. Aturan Nyi Gentrasari

[ 173 ]

    Sarepuh Ratna Komala, nutur aturan saderek
    Tatana bisi sulaya
    Wantu saibu sarama
    Ku Raden Bagus dicandung
    Gentrasari jeung Kombala
    Geus tetep nu jadi aji

  1. Buta Kombari Kombara
    Ratuna nya éta keneh
    Gentrasari jeung Kombala
    Tetep diPulo Salaka
    Nya éta gerpa Den Bagus
    Kitu kandaning carita

  2. Ti harita henteu lami
    Raden di Pulo Salaka
    Sanggeus putus papanganten
    Teu dikocap kitu namah
    Manawi ma’lum sadaya
    Nutur catur nu kapungkur
    Enggal Den Jaka Mursada

[ 174 ]

  1. Ka gerwana lajeung amit
    Nya ieu ayeuna téh engkang
    Enggeus lami didieu téh
    Mamanahan Kangjeng Rama
    Engkang mudu diterangan
    Bade nyelang wangsul ka Erum
    Muru-muru nu teu damang

  2. Gentrasari katur bakti
    Sarepuh Ratna Komala
    Nun engkang sumangga baé
    Amangging rai unjukan
    Ka engkang hatur uninga
    Upanten ka kuring nyaur
    Engkang kedah nyangjrek lemah

  3. Tangtu ngadeuheus simkuring
    Sinareng aceuk Kombala
    Sakitu hatur rai téh
    Sareng ieu candak jimat
    Cambeti paparin ama
    Nabi Sulaeman karuhun

[ 175 ]

    Ku Raden Bagus ditampa

  1. Cambeti Rukmini dipusti
    Dibeulitkeun ka jero sinjang
    Enggal Raden dangdan baé
    Disinjang kupalang ruksak
    Diraksukan sutra bodas
    Nganggo sabuk nyoren duhung
    Udang kuning sakebonan

  2. Tirta Bulayah dicangking
    Geus sadia Raden dangdan
    Ti bumi lungsur digandeng
    Ku gerwa anu dua
    Gentrasari jeung Kombala
    Geus dongkap ka sisi laut
    Patih Kombari Kombara

  3. Jin ipri sami ngiring
    Geus puguh Ki Ardanaya
    Sarepuh Ki Naya Genggong
    Henteu anggang ti juragan

[ 176 ]

    Kocap dongkap ka sagara
    Raden nyaur iwak Minayu
    Bari nenggal sagara

  1. Lauk nguco ieu abdi
    Sumangga geura titihan
    Kumaha kengeng landong téh
    Jaka Mursada ngandika
    Berkah Minayu meunang
    Raden ngawalon ka lauk
    Bari enggal ditihan

  2. Sareng nu dua pangiring
    Numpakan iwak sagara
    Gerwana ningali kagaet
    Geus puguh balad nu rea
    Siga anu di sagara
    Caturkeun Sang Raja Erum
    Ka Patih nyaur mariksa

  3. Na kumaha ieu patih
    Perkara Jaka Mursada

[ 177 ]

    Dititah nyiar landong téh
    Asana geus heubeul pisan
    Kamana nyiarna tamba
    Kitu dawuh Raja Erum
    Patih Cangkiling unjukan

  1. Nun sumuhun dawuh gusti
    Perkawis putra gamparan
    Kinten tebih nyiarna téh
    Kitu patih piunjukna
    Seug deui Raja ngabdika
    Taksiran terus ka laut
    Éta Ki Jaka Mursada

  2. Jeung papagkeun Raden Patih
    Ki Mursada sugan meunang
    Patih nyembah indit baé
    Gadag gidig ka paseban
    Patih sajeroning angkat
    Sumaur lebeting kalbu
    Si Mursada lamun meunang

[ 178 ]

  1. Erék direbut ku aing
    Di mana baé panggihna tangtu
    Dibikeun diolo
    Sabab si Jaka Mursada
    Budak nyaho ti orokna
    Pikirna Ki patih kitu
    Bari tuluy ka paseban

  2. Geus dongkap patih ngalahir
    Ka sakabeh pangkat-pangkatna
    Pangkat leutik pangkat gede
    Urang ngahormat putra gusti
    Sugan meunang usada
    Pada ngawangsul sakabeh
    Dumangga seja ngiringan
    Pihatur para ponggawa
    Enggalna sadaya pada sadis

  3. Demang Rangga para Mantri
    pangkat kabeh geus karumpul
    patih jajeng dangdan baé
    dilancingan ngober komprang

[ 179 ]


    raksukan roki buludru
    patih sepuh jeung nonoman


XXV. PUPUH SINOM


  1. Patih angkat ti nagara
    Rosa ponggawa nu ngiring
    Rék ngarugug perang
    Baladna patih cangkiling
    Ponggawa ruwuh prajurit
    Kira aya tujuh tambur
    Pakarangna tumbak pedang
    Prajurit marangeul bedil
    Ari patih nitah kuda nyoren pedang

  2. Geus gandeng sajalan-jalan
    Pada gomong anu ngiring
    Aya anu cecelukan
    Aya anu ngahariring
    Aya anu tembang kinanti
    Nu ngaheot bari manyun
    Aya nu hahaleuangan

[ 180 ]


    Anu ngagupayan istri
    Tiap aya nu geulis digupayan

  1. Anu matak sugan-sugan
    Pamikir balad nu leutik
    Lain rék ngarurug perang
    Ngan rék ngahormat putra gusti
    Kitu pamikir nu leutik
    Teu nyana nu goring pucus
    Patih aya pangarahna
    Fta teu pisan katawis
    Carék basa leuwih jero kateuleuman

  2. Angen jalma teu katara
    Sabab patih ulat manis
    Teu nyana belang bayah
    Teu nyana nu huring ati
    Nu matak henteu katawis
    Alus saur ahli wujuk
    Sakabeh enggeus percaya
    Ka nu hade saur jalmi
    Éta oge Den patih hade saurna

[ 181 ]


  1. Enggal semplingan carita
    Patih Rosa nu ngariring
    Sarta kebat ka nagara
    Kudana patih geprik
    Teu lami dongkap Den Patih
    Baladna sisi laut
    Patih lungsur tina kuda
    Balad heula pandeuri
    Nu ti heula ngaluid sisi sagara

  2. Balad patih nungtut datang
    Patih Cangkiling ngalahir
    Nya di dieu urang megat
    Putra gusti sugan sumping
    Dagoan bari berenti
    Ngejo-ngejo nyieun tungku
    Patih sakitu dawuhna
    Sigeungkeun sisi kikisik
    Urang catur nu mulih Raden Mursada

  3. Munggaran iga sagara

[ 182 ]


    Tiluan reujeung pangiring
    Naya Genggong Ardanaya
    Geuwat disusumping deui
    Sabab awas ninggal patih
    Ngaliud di sisi laut
    Patih megat nyandak balad
    Ardanaya enggeus harti
    Ceuk pikirna palangsing patih ngarah

  1. Geus diluangan ka tukang
    Badega dua geus harti
    Ngandika Jaka Mursada
    Itu kawas paman patih
    Mawa balad rosa teuing
    Kawas-kawas nu ngalurug
    Atawa mapagkeun urang
    Sabab cicing sisi cai
    Pada matur Naya Genggong Ardanaya

  2. Nun agan nya kitu pisan
    geus kaharti
    Kokolot mah
    Éta patih kulawargana

[ 183 ]


    Nu matak simkuring nyangling
    Nya éta sok goreng ati
    Enggeus diberik kapungkur
    Agan muduning iyatna
    Karana teu pantes teuing
    Mun manggakeun sadia parabot perang

  1. Jeung sapirang-pirang balad
    Mana urang ning caringcing
    Mangka ari geus ka darat
    Kitu pihatur pangiring
    Bari tumpak maung cai
    Lampahna iwal mihayu
    Kadi barat keur katiga
    Sumirinting kadi angin
    Laut bongbong narajang karang disorang

  2. Enggeus deukeut ka daratan
    Ditinggal ku balad patih
    Pada ngomong itu naha
    Jukung teu dikalah geuning
    Ngawasakeun patih cengkiling

[ 184 ]


    Sarta barina sumahur
    Taksiran Jaka Mursada
    Naha itu tumpak rakit
    Mun parahu meureun katenjo curukna

  1. Tumpak na naha naon éta
    Disebutkeun rakit deui
    Komo meureun dicalukan
    Kapal mah sok komo deui
    Pada ngomong balad patih
    Sugan éta tumpak lauk
    Ceuk sawareh tumpak naga
    Da tapak Kangjeng mah lain
    Enggeus deukeut kaget narepakan dada

  2. Sabab lauk tembong gigirna
    Tembong panon biduri
    Jeung sisitna ogé emas
    Ceu sawareh mun dikali
    Enggeus beunang ku urang sisit
    Dijual geus tangtu nutung
    Pok deui sawareh balad

[ 185 ]


    Panon mah komo teuing

  1. Sabab inten untung pisan mun dijual
    Warna-warna omong balad.
    Henteu aya nu dipikir
    Ngan lamun lauk dijual
    Sisit hiji ge saringgit
    Ngan patih bengong ningali
    Raden lungsur tina lauk
    Ka darat jeung badegana
    Patih Cangkiling ngalahir
    Aya lauk éta beunang ditumpak

  2. Na asep manggih ti mana
    Aya lauk sieur teuing
    Jeung lauk naon ngarana
    Kitu kasahuran patih
    Jaka Mursada ngalahir
    Ngarana Minayu
    Pitulung Allah Taala
    Bét ngawula ka simkuring
    Sareng paman ieu téh bade ka mana

[ 186 ]


  1. Nyandak balad rosa-rosa
    Kawas anu rék perang jurit
    Raden patih ngawalon
    Aeh mawa soteh prajurit
    Sok bisi mendak balai
    Sok curiga sepuh
    Wanta nu dipapag putra
    Teu batan paman caringcing
    Loba luang kapungkur geus kalakonan


XXVI. PUPUH PANGKUR


  1. Kitu lamun teu uninga
    Ieu paman mawa soleh prajurit
    Paman lain rék ngarurug
    Ngan timbalan tuang rama
    Mapag asep bih bilih aya pakewuh
    Sareng asep téh kumaha
    Nyiar lodong téh tos kenging

  2. Nu ngaran Tirta Bulayah

[ 187 ]


    Lamun kenging enggal diantos
    Saur raden patih kitu
    Ngawalon Raden Mursada
    Berkah paman kengin pisan kaulanun
    Nu ngaran Tirta Bulayah
    Ieu dikandung ku kuring

  1. Pék patih coba ngilikan
    Hayang nyaho Tirta Bulayah téh nyai
    Herang atawana kiruh
    Kitu patih panggolona
    Raden Bagus ngawansul barina imut
    Mengke bae mah dinagara
    Disanggakeun ku simkuring

  2. Patih Cangkiling ngeukeuhan
    Rék dibikeun ditoel baé ku pangiring
    Bari ngiceupan ngomong lembut
    Poma Agan ulah beunang
    Éta patih olo-olo ngageuleuyeuh
    Samalahan ibu Agan
    Kapungkur pan rék dipeuncit

[ 188 ]


  1. Supaya kabur harita
    Ibu Agan malah dongkap ka kiwari
    Disusul-susul teu timu
    Mawi kapengker téh Agan
    Geuning basa dinini tamlih ti gunung
    Ahad Agan orok pisan
    Dibikeun ku disimkuring

  2. Tina hawatos ka Agan
    Tina tandu digembol bae ku kuring
    Bisi teu uninga bae kitu
    Dina mamalana Agan
    Ayeuna mah ku pun paman dipiunjuk
    Kapan kapengker nyarita
    Nu mawi musuh jeung patih

  3. Pun paman lamun teu nyamar
    Ngan hadean baé bét Agan yasa nyangling
    Sadaya pada ka pasu
    Kitu harewos badega
    Keur asalna nu mawi aya di gunung

[ 189 ]


    Kapengker urang Agan
    Ayeuna abdi istori

  1. Reup geuneuk ray pias
    Geus percaya ka badega méré wiarti
    Muncereng sumahur nafsu
    Béh na mah cankiling saiton
    Olo-olo ka aing rék ngarebut
    Ngilikan Tirta Bulayah
    Jeung mikeun mah ditampiling

  2. Raden kitu susumbara
    Patih molotot nunjuk langkung bengis
    Sia wani-wani kitu
    Ka kolot lanjang ucapan
    Eujeung éta teu nyana si anak bedul
    Naya Gaengang Ardanaya
    Bét nyamar si anak anjing

  3. Sia bisa nyalin rupa
    Lamun nyana bareto mimiti panggih
    Moa enya sia hirup

[ 190 ]


    Disirangkeun tiheula
    Ayeuna panggih siana ngawadul
    Yén aing pajar maehan
    Tangkep éta prajurit

  1. Sawareh agan-aganan
    Lahir patih em na sis ditampiling
    Sosoak patih nu nafsu
    Naya genggang ardanaya
    Rub dinonom ku ganggaman rebu-rebu
    Pada numbak pada medang
    Prajurit dur-dor ngabedil

  2. Anu harus ngan obatan
    Pelorna mah tina bedil henteu bijil
    Kocap Ardanaya ngamuk
    Pada medang pada umbak
    Henteu teurak ki Naya genggang tutumbak
    Ponggawa réa nu kalah
    Nu paéh patumang tindih

  3. Rame disisi sagara

[ 191 ]


    Ardanaya ngamukna teu pilih tanding
    Balad patih sami guyur
    Aya anu susurakan
    Anu ngomong urang montong ngili-ngilu
    Da urang teu niat perang
    Pajar mapag putra gusti

  1. Ayeuna kitu petana
    Agan patih éta nu hiri dengki
    Teu pupuguh ngajak rusuh
    Kitu ceuk sakabeh balad
    Ceuk sawareh teu nyana arék ngarurung
    Da lamun nyana perang mah
    Déwék mah teu sudi najis

  2. Jeung ieu batur kumaha
    Euleuh patulayah prajurit
    Ku gandel diamuk
    Jeung ku licik gandek dua
    Henteu terka manehna mah tawoh weduk
    Sawareh ninggal dulurna
    Anu rerehan ka patih

[ 192 ]



  1. Hayu baé batur lawan
    Saenyana abong taya nu wani
    Sapira jalma tilu
    Bon pantar si Ardanaya
    Lamun aya Jawan déwék tilu [uluh
    Motong dingaranan Darepa
    Moal bét karasa hanyir

  2. Nya aing ngaran ki Derepa
    Hayu naha perang tanding gé jeung aing
    Aya nu henteu biluk
    Ka patih aya anu réa keur diamuk
    Ku Raden Jaka Murasada
    Rawuh badegana deui

  3. Anu ujub ka Darepa
    Susumbar hayu deuleu lawan aing
    Nya aing kapeteungan Erum
    Éta nu ngamuk balad
    Naya gnggong nyuruntul barina nembak
    Ki Darepa jeud ku medang

[ 193 ]


    Genggong henteu mundur jurit


XXVIII. PUPUH DURMA


  1. Naya genggong dipedang kuki Darepa
    Awakna bulak-balik
    Direbut pedangna
    Dibikeun kanu boga
    Dipedang sakali mati
    Geus kokosodan
    Patih cangkiling ninggali

  2. Poporongan patih barina narajang
    Naya genggong jojogedan
    Bari nunjuk kanu raray
    Ngonconan ka Raden patih
    Pokna atuh éra
    Bareto ngacir ku aing

  3. Ayeuna mah ku aing homo dilawan
    Da henteu karasa nyeri
    Kutan ari ménak

[ 194 ]


    Bét lesang dampal leungeun
    Asa diusap kunu geulis
    Pék deui tambah
    Tuh lawan juragan aing

  1. Naha sia ka kolot-kolot ngalawan
    Pamali sia téh jurig
    Nyaho aing kaget
    Sia mana lalawora
    Sakti-sakti deuleu aing
    Jakamursada
    Geus henteu tatapasini

  2. Pék dicekel ku ambek Jaka Mursada
    Dibalangkeun baé patih
    Teu karasa beurat
    Sakitu jangkung luhurna
    Raden patih ngajumpalik
    Cengkat buringas
    Ngarontok jeung ngaringkik

  3. Raden Jaka Mursada érék dicambak-cambak

[ 195 ]


    Luncat kawas kutu anjing
    Patih ngarontokan
    Ngenca ngatuhu teu beunang
    Ana bongoh ditampiling
    Kukurilingan
    Katura lengan teu eling

  1. Ana cengkat patih bari narik pedang
    Langkung nafsuna patih
    Tatapi susumbar
    Eh sia Jaka Mursada
    Ayeuna mah sia mati
    Raden iatna
    Walon ngomong sia patih

  2. Coba hempek awak aing kere pedang
    Lamun teurak téh ka aing
    Enya matih pedang
    Meureun dibikeun bulayah
    Lamun henteu terka aing
    Ku pedang sia
    Geus tangtu sia dipenucit

[ 196 ]


  1. Raden patih nambah ngagidir amarah
    Kolebat medang Den patih
    Ka Jaka Musada
    Pedangna lajeng di tewak
    Geus beunang dipedang deui
    Patih tu teurak
    Ngarontok deui patih

  2. Raden bagus ngajak perang pupuyuhan
    Silih cekel eujeung patih
    Ari badegana
    Naya genggong ardanaya
    Keur ngamuk ka prajurit
    Sakabeh beak
    Nu paeh dina kikisik

  3. Anu hirup sawreh lalumpatan
    Anu henteu perang caricing
    Anggur susurakan
    Balad patih nu teu perang
    Bangsa menak bangsa kuring

[ 197 ]


    Anu nyurakan
    Ponggawa rawuh para mantra

  1. Ceuk sawareh hayoh lawan kalah kamana
    Anu naruhan ku duit
    Ardanaya ngucap
    Éta naha susurakan
    Lain rek melaan patih
    Aing lawan
    Ku aing arék dibasmi

  2. Ari carek Naya genggong susumbar
    Ieu anggur lawan aing
    Geus teu aya lawanna
    Saha nu bela ka patih
    Aing narajang
    Nya aing urang Majesi

  3. Kitu omong Naya genggong susumbarna
    Pada jawab balad patih
    Kuring terka perang
    Pajar téh mapag Agan

[ 198 ]


    Horeng nu diiring dengki
    Kuring mah
    Kakang henteu aya piker dengki

  1. Nu bilik ka patih pab geus malodar
    Sabas milu hurik ati
    Ari kaula mah
    Ulabon ka putra raja
    Ka budak anggon teu wani
    Wantu elehan
    Kitu walon balad nu cicing

  2. Ardanaya ngadenge omongan nu sarah
    Amarahna lemper deui
    Sarawuh baturna
    Naya genggong seuri ngucap
    Mun kitu mah eleh kami
    Sabab teu dilawan
    Ayeuna mah urang rapih

  3. Tuluy campur Naya genggong ardanaya
    Geus rapih jeung balad patih

[ 199 ]


    Nu henteu naglawan
    Tuluy nnjo nu galungan
    Jaka Murasada jeung patih
    Taya nu kalah
    Jojogolan na keusik

  1. Raden bagus disered bari dijambak
    Kawas ucing ngagem beurit
    Dikekesek Mursada
    Tapi teu pisan nyoara
    Api-api anu sisip
    Tapi teu rejag
    Gumulung lebeting galih

  2. Raden patih susumbar sia modar
    Raden bagus narik keris
    Kejat patih lumpat
    Ku raden patih diudag
    Patih gila ninggal keris
    Hurung ngagugudag
    Pucuk keris mutu geni

[ 200 ]


  1. Patih limpat sataker tanaga
    Barang ngareret ka gigir
    Mursada moroan
    Badegana emprak surak
    Lir gagak diudag piit
    Laip salira
    Lir sapi diudag kambing

  2. Lacek lengkah kawantos anom jeung sepuh
    Merebet henteu kaberik
    Badegana surak
    Baladna bengong ninggali
    Pada momong balad patih
    Buru ku urang
    Sugan eureun agan nganti


XXVIII. PUPUH KINANTI


  1. Ardanaya enggeus campur
    Eujeung balad-balad patih
    Sabas enggeus loma tadina
    Malah ngomongkeun ka patih

[ 201 ]


    Juragan urang bét delap
    Hayu urang ka nagara

  1. Patih lumpat urang catur
    Ngarandeg deukeut ka nagri
    Patih angkat gagancangan
    Ngahanju cape Den patih
    Raden ngudagna teu kebat
    Moro ka patih cangkiling

  2. Ngarandeng ngantos batur
    Teu lami dating pangiring
    Liren di sisi nagara
    Barina ngasupkeun keris
    Naya genggong ardanaya
    Rawuh balad candak patih

  3. Ardanaya pok piunjuk
    Agan patih téh kaberik
    Raden Mursada ngandika
    Mun katepi modar patih
    Tatapi patih ayeuna

[ 202 ]


    Ku ama tangtu istori

  1. Saur Raden Bagus kitu
    Badegana ngomong deui
    Kituna mah moal gagal
    Patih ka gusti madoni
    Mugi sabar baé agan
    Kitu haturan pangiring

  2. Sok tunda lampah Den Bagus
    Caturkeun Patih Cangkiling
    Patih kebat ngadeuheusan
    Gék calik payuneun gusti
    Kangjeng raja seug ngandika
    Kumaha petana patih

  3. Eujeung Mursada téh tepung
    Atawa teu kungsi panggih
    Cong-cong sembah patih unjuk
    Nun sumuhun dawuhan gusti
    Perkawis putra gamparan
    Kapendak pisan ku abdi

[ 203 ]


  1. Sinareng landong kabantun
    Nanging awon putra gusti
    Abdi gusti wani bayak
    Sakur nu sareng abdi
    Bét éta putra binasa
    Perlaya dina kikisik

  2. Raja seug mindo ngadawuh
    Kunaon asalna patih
    Nu matak kitu lampahna
    Raden patih matur deui
    Kawitna putra gamparan
    Dirongrong Ku abdi-abdi

  3. Rehing putra nitih laun
    Eta sumpingna ti cai
    Kumaonam jalma loba
    Teu beunang dihaling-haling
    Bareng bayat ogé putra
    Ka darat sét matak keris

[ 204 ]


  1. Sakabéh abdi diamuk
    Sareng badegana deuih
    Nu disiratkeun baheula
    Kiwari daratang deui
    Si Genggong Ardanaya
    Ari rék ditangkep ku abdi

  2. Putra gusti nu keur napsu
    Ari dilawan ku abdi
    Abdi ajrih ka gamparan
    Wantos putra murangkalih
    Saur pantes dilawan mah
    Da disintreuk gé ku abdi

  3. Geus tangtos dipecat jauh
    Ngan bubuhan kolot abdi
    Putra gusti teu dilawan
    Nu mawi tu dilawan
    Wangsul henteu sasarengan
    Kitu kaol purwana gusti

  4. Abdi awon kapiunjuk

[ 205 ]


    Sadaya teu langkung gusti
    Pihukuman putra
    Da kitu purwana gusti
    Pikir raja dina manah
    Perwatek Putri Mesir

  1. Kawantos geulisna punjul
    Nanding putri Kuraesin
    Tatapi watekna panas
    Tépa ka patih Cangkiling
    Geus puguh ka carogéna
    Panas ngentab panas pusti

  2. Raja muncereng ngadawuh
    Jadi éta kitu patih
    Si Mursada anak setan
    Sugan lain anak aing
    Maehan nu taya dosa
    Kurang ajar tah si jurig

  3. Si Mursada lamun kitu
    Kudu dihukum pati

[ 206 ]


    Urang lebon mun geus datang
    Tutur baé tah si jurig
    Patih tong loba carita
    Parentah lurah patinggi

  1. Mistikeun pundutan sulur
    Ing dalem hiji patinggi
    Kudu sarebu tanggungan
    Urang nyieun gunung api
    Sakitu timbalan raja
    Patih gura giru indit

  2. Patih angkat anu rusuh
    Marentah lurah patinggi
    Sarawuh camat wadana
    Geus putus timbalan patih
    Gehger di kampung Somahan
    Diparentah ku patinggi

  3. Gancangna geus ngundung-ngndung
    Suluh ti lurah Patinggi
    Kabeh putus sapancenna

[ 207 ]


    Dipetakeun ku Den Patih
    Geus nyusul tanding jabal gap
    Suluh ti antero nagri

  1. Patih sadaya piunjuk
    Karaja ngadeuheus deui
    Ngunjuk yén parantosan
    Suluh buat gunung api
    Sang Raja mindo ngandika
    Mun geus datang anak kami

  2. Ku patih éta pék mundut
    Urang sebut Guha Geni
    Sina asup si Mursada
    Kana seuneu tangtu garing
    Karawuh jeung badegana
    Hutang pati tanggur pati

  3. Kitu rawuh Raja Erum
    Lahir patih leres gusti
    Eukeur kitu jol darongkap
    Jeung gandek geus ka nagri

[ 208 ]


    Raden ngadeuheus ka rama
    Kangjeng raja seug ngalahir

  1. Kangjeng raja ngalelemuk
    Teu siga giruk saeutik
    Lahir raja Asep meunang
    Buat landong ibu sakit
    Nyembah matur Den Mursada
    Nun berekah ama kenging

  2. Dawuh raja Asep sakur
    Jeung petakeun ubar patih
    Geura layad ibu ujang
    Geus teu werat usik malik
    Ku Asep geuwat landongan
    Coba enya landong matih

  3. Kitu dawuh raja Erum
    Jaka Mursada geus indit
    Usada Tirta Bulayah
    Diungglkeun ka sang putrid
    Waras teu sakara-kara

[ 209 ]


    Biasa cara sasari

  1. Kanjeng raja nyaur
    Enya ubar matih teuing
    Asep tulus jadi raja
    Tapi aya hiji deui
    Pamundut rama ka Ujang
    Pangneangkeun eyang deui

  2. Ayana dijero gunung
    Ngaran gunung guha Geni
    Ku Asep mudu deuheusan
    Eyang lebet guha Geni
    Sakitu pilahir ama
    Raden Gambah teu ngalahir


XXIX. PUPUH GAMBUH


  1. Raden saur lebet kolbu
    Bét aing asa teu umum
    Anu kana guha Geni
    Anu aing téh geus tangtu

[ 210 ]


    Awak tutung tangtu maot

  1. Kitu manah raden bagus
    Bari madon teu ngawangsul
    Raja rum ngandika deui
    Ujang itung-itung nyipuh
    Kudu ngagugu ka kolot

  2. Sabab nu rék jeneng ratu
    Nya kudu baé sipuh
    Ujang hayu geura indit
    Kitu dawuh raja Erum
    Raden Bagus pék nyawalon

  3. Kanjeng rama lamun kitu
    Ka simabdi mundur umur
    Jisimabdi amit mati
    Seja pasrah ka Yang Agung
    Kitu hatur Agan Anom

  4. Enggal Raden Bagus lungsur
    Putri sareng raja Erum

[ 211 ]


    Kaluar ti jero bumi
    Patih keur ngaduruk suluh
    Seuneu muntab pada nenjo

  1. Raden Bagus angkat tungkul
    Badega dua teu kantum
    Badegana sami ngiring
    Pupus hayang ngiring pupus
    Ardanaya Naya Genggong

  2. Geus rumaos moal hirup
    Raden Bagus semu nguyung
    Kana jimat tacan cling
    Jeung bari meubeurkeun pecut
    Ngan buli-buli teu poho

  3. Barang geus dongkap ka gunung
    Geus kumpul di nagri Erum
    Nu ningal pamenget istri
    Gentra Sari nu kacatur
    Jeung Ratna Koamala nayaho

[ 212 ]


  1. Rakana Erum seug ngadawuh
    Coba asep geura asup
    Raden Mursada ngalahir
    Paman Ardanaya hayu
    Eujeung Paman Naya Genggong

  2. Ari rék bela tumutur
    Hayu urang bareng asup
    Badega ngawangsul ceurik
    Eh, agan tong loba saur
    Abdi bela ti bareto

  3. Bareng paéh bareng hirup
    Abdi hayang ulah kantun
    Seja ngiring lahir batin
    Omong badegana kitu
    Ardanaya Naya Genggong

  4. Raden Bagus enggeus gebrus
    Badegana dua nya kitu
    Jijingklak Patih Cangkiling
    Sang Putri Mesir sumaur

[ 213 ]


    Deuh sia sakabeh kojor

  1. Saurna putri sakitu
    Dawuh raja tambah suluh
    Riba pada nyokot abdi
    Seuneu muntab geus ngagedur
    Anu surak ting haraok

  2. Aya nu nyebut tutung
    Ceuk sawareh teu bitu
    Ceuk loba tuas teuing
    Badega nu pararunyus
    Ardanaya Naya Genggong

  3. Raden nyampak rai ayu
    Barang gebrus ngararangkul
    Sang Komala Gentra Sari
    Ka Raden sami sumaur
    Engkang geus ngarepkeun maot

  4. Putri dua pada matur
    Engkang moal pupus

[ 214 ]


    Kapan nganggo ali kuring
    Den Bagus imut ngawangsul
    Saleresna engkang poho

  1. Seug deui garwana matur
    Engkang dilebon ku sepuh
    Kapalayna putri Mesir
    Engkang jeneng ratu
    Manahna ibu kalon

  2. Ayeuna mah bales hukum
    Kajeung ngabohong ka sepuh
    Da bongan sepuh téh geuning
    Sagala beunang kawujuk
    Geus sagala sapapanjangna awon

  3. Ari ayeuna kang Bagus
    Pisaureun téh ka sepuh
    Parantos jeung eyang panggih
    Malah jeung ama disaur
    Kanjeng eyang langkung soro

[ 215 ]


  1. Leres nyai enya kitu
    Tina jero seuneu hurung
    Harita raden geus bijil
    Ramana henteu sumahur
    Sareng putrid ninggal bengong

  2. Patih kumetap teu anyar
    Luak lieuk anu puguh
    Geus lami raja ngalahir
    Geuning asep éta hirup
    Cong sembah mando gan anom

  3. Nun ama nuhun sarebu
    Wirehing putra dijungjung
    Jadi naha lamun mungkir
    Horeng sare'atna hurung
    Seuneu téh singhoreng gedong

  4. Memeh brus mah panas langkung
    Ayeuna putra diutus
    Anu mawi bijil deui
    Réh kanjeng rama disaur

[ 216 ]


    Diantos pisan ku sono

  1. Kanjeng eyang kadatur
    Sareng ibu kedah wantun
    Sareng mamang patih deui
    Sareng putra buru-buru
    Kitu nu anom ngabohong


XXX. PUPUH SINOM


  1. Pihatur Jaka Mursada
    Nyana abdi guha Geni
    Matak tutung ruksak badan
    Matak katagihan geuning
    Kinten nya éta sawargi
    Paingan ama disaur
    Sareng ibu ulah tinggal
    Kedah kuptra kairing
    Sareng ieu mamang patih dawuh eyang

  2. Karantes dawuhan ka ibu abdi-abdi
    Palay ngahormat ka ibu abdi-abdi

[ 217 ]


    Réh putra welas teu damang
    Ayeuna geus damang deui
    Eyang bade pesta resmi
    Dilebet guha Geni hurung
    Malah parantos peupeucitan
    Kitu leresna simabdi
    Mangga didawuhan ulang lila

  1. Kitu piunjung Mursada
    Ngalahir sang Putri Mesir
    Hayu atuh jeung manehna
    Bari hayang nyaho kami
    Di nagara guha geni
    Jalanna ka seuneu hurung
    Harita geus babarengan
    Tiluan diiring patih
    Barang gebrus ogé pating koceak

  2. Pada bitu mastakana
    Raja sareng Putri Mesir
    Den patih sirahna bucat
    Ngabeledug dina Geni

[ 218 ]


    Raden Mursada ngalahir
    Ét aing males hukum
    Sabab rama tunggang kaya
    Ka ibu malah kadiri
    Nurut teuing kana geulis geureuhan
    Ayeuna raja (.....) (231-232)
    (........)
    Mutabar kabeh nagara
    Sumawonna unggal disintreuk
    Dinagri Rum Ratuna Jaka Mursada

  1. Sigeung ratu di pameungkang
    Tacan ngungsi jero puri
    Caturkeun Ratna Komala
    Sareng Putri Gentra Sari
    Tina guha Geni bijil
    Lajeng ka karatron Erum
    Emban taya nu nangenan
    Nyai emban eukeur ceurik
    Nyeungceurikan raja sareng garwana

  2. Dilebet reyang midangdam

[ 219 ]


    Ting darengyak istri ceurik
    Aya anu lolongseran
    Aya anu ceurik ngawiwi
    Bari ngomong anu ceurik
    Ari pokna naha ratu
    Tinggalkeun pupus ti heula
    Ari ceuk sawareh deui
    Henteu nyana gusti rék pupus ayeuna

  1. Ari peuting dipupundutan
    Panungtugan eujeung aing
    Dipondah ku batur embank
    Aha ileh meunggeus tong ceurik
    Anggur sing urang luluwis
    Bareto keur aya ratu
    Urang teu meunang kaluar
    Erek ngalong sisi cai
    Ayeuna mah hayu barijil kaluar


XXXII PUPUH MIJIL


  1. Enggeus burit teu repeh nu ceurik
    Dilebet geus raong

[ 220 ]


    Putrid dua geus bosen kugandeng
    Komala jeung Gentra Sari
    Disirep nu ceurik
    Ku Nyi Ratna Ayu

  1. Tuluy baé karerek anu ceurik
    Nu kerek sesegor
    Gentra Sari jongjon calikna téh
    Ngantos-ngantos raka calik
    Ti pamengkang sumping
    Ti entas ngahuru

  2. Prabu Anom ngadawuk ka mantri
    Ga jaksa kaliwo
    Ayeuna mah pék marulih baé
    Karana ieu geus burit
    Sugan isuk deui
    Kaula rék asup

  3. Saenggeus burit sang raja ka bumi
    Bari lungak-longok
    Nyondong saurna meja jeung kuweh

[ 221 ]


    Pamasangan jeung kopi
    Siang damar lilin
    Hibar damar lampu

  1. Ratu nyaur salebeting galih
    Ieu kapan kososng
    Tapi damar bét di seungeut kabeh
    Ti dinya ratu angkat deui
    Di kamar nyi putrid
    Dirontok dicium

  2. Duanana tuluy sare deui
    Cikalna nu anom
    Nu sepuh Gentra sari raina téh
    Sabab ti heula dikawin
    Sanajan pandeuri
    Kitu kanda catur

  3. Ti nya ratu tuluy tuang kopi
    Gerwa dua mando
    Entos tuang seug carek bae
    Sasauran Gentra Sari

[ 222 ]


    Nyaurkeun putri Mesir
    Geulisna pinunjul

  1. Tapi awon watekna sang putri
    Gentra Sari nyaho
    Disaurkeun éta watekna téh
    Kaawonana putrid
    Kasuat ras eling
    Ka ibu nu kabur

  2. Ratu anom enggal nyaur patih
    Henteu lami geus jol
    Patih Dawud Patih Masrut baé
    Ngadeheusan nu dua patih
    Ratu Anom nagalahir
    Jeung paman pisaur

  3. Waktu ibu basa rék dipeuncit
    Ku patih di lebon
    Kira-kira ibu aya keneh
    Isuk mah teangan deui
    Mun pareng kapanggih

[ 223 ]


    Nadar ka karuhun

  1. Urang pesta paman siang wengi
    Mun ibu can maot
    Patih dua seug nyarios baé
    Misaur Andaya sasih
    Ti barang mimiti
    Seep dipiunjuk

  2. Ratu Anom ngadangukeun patih Duaan nyarios
    Ratu anom segruk nangis baé
    Gentra Sari seug ngalahir
    Engkang montong nangis
    Kuring sanggem nyusul

  3. Ratna Déwi Komala ngalahir
    Sareng bari mandon
    Kapan kuring garwa engkang téh
    Sanggem néangan ibu leungit
    Bari dileuweung deui
    Sanajan dilaut

  4. Anu lengit keun néangan kuring
    Montong gedig pangkon

[ 224 ]


    Montong kulem dina wengi ieu téh
    Kitu saur Gentra Sari
    Saur Ratna Déwi
    Urus baé isuk

  1. Gulang-gulang upacara deui
    Sakur nu dijero
    Sina tetep ulang mungkar kabéh
    Kitu saur Gentra Sari
    Catur geus beurang deui
    Pukul genep isuk

  2. Emban kabéh nu disirep lilir
    Kabéh pada melong
    Bet teu asa euweuh raja emban kabéh
    Sabab putra anu linggih
    Ngan teu kungsi kabumi
    Negaladénan ratu

  3. Gentra Sari kaemban ngalahir
    Emban entong melong
    Lopérés bapa geunder
    Gawéna cara Sari
    Saur Gentra Sari
    Sadaya ngawangsul

[ 225 ]


  1. Pada hatur pamenget jeung istri
    Mangga gusti Anom
    Sim abdi mah satimblan baé
    Ngadederek dawuh gusti
    Haru-haru abdi
    Seug ratu ngadawuh

  2. Ayeuna mah nyai ngabdi-ngabdi
    Montong diparios
    Teu ngawula tangtu ditumpas baé
    Nu matak naon dibasmi
    Walon Gentra Sari
    Anggang lamun kitu

  3. Heunteu adil cara putri Mesir
    Maotna gé awon
    Ari engkang jumeneng ratu téh
    Lamun teu aya abdi-abdi
    Saha nu ngagusti
    Anu nyebut ratu

  4. Lamun euweuh éta abdi-abdi
    Urang meureun jongjong
    Engkang calik tangtos nyalira baé
    Lamun kitu kuring baé

[ 226 ]


    Margi tetep abdi
    Engkang bisi bingung

  1. Kapan engkang miwarang ka kuring
    Néangan anu lolos
    Nya ayeuna sim kuring indit téh
    Lajeng lungsur Gentra Sari
    Rawuh Nata Déwi
    Lungsur bari imut

  2. Geus kaluar nyai Gentra Sari
    Loba anu nénjo
    Putri dua lajeng ngapung baé
    Seja néangan anu leungit
    Ratu lungsur deui
    Ningali nu ngapung

  3. Enggeus jauh anu ngapung putri
    Ratu geus ka gedong
    Patih dua mash ngadeuheus baé
    Misaur patih cangkiling
    Kaawon patih
    Teu pengat misaur


XXVIII. Pupuh Magatru


[ 227 ]


  1. Prabu Anom teu acan lulus
    Loba kénéh anu kaéling
    Ngamanahan baé ibu
    Hoyong geura gok panggih
    Kalangkung waktos teu nyaho

  2. Kacarios Ratna Komala nu ngapung
    Jeung raina Gentra Sari
    Ngungkulan leuweung diluhur
    Ningali sakur nu buni
    Kajajah manjah jeung kaso

  3. Ratu katinggal ardaya Salasih camudur
    Ka nu éyang ngajangjawing
    Papanggo sakabéh buntut
    Burubutan ruwang-rawing
    Nyaur dina leuweung kaso

  4. Ibu ratu asal kabur tuluy nyumput
    Aceuk sumangga nu ningali
    Nu matak henteu kapanggih
    Kubadegana diasuh
    Gentra Sari seug ngalahir
    Paingan henteu katénjo (+ 1 padalisan)

[ 228 ]


  1. Langkung buni ibu ratu nu nyumput
    Aceuk sumangga ningali
    Ratna Komala ngawangsul
    Boa éta lain deui
    Sabab urang tacan nyaho

  2. Moal temen ibu ratu kawas kitu
    Lawas gé piraku teuing
    Éta nini enggeus pikun
    Kapan karék putra hiji
    Sok piraku téréh kolot

  3. Kasalahan urang téh rai geus tangtu
    Ari saur Gentra Sari
    Aceuk mangka geura lungsur
    Urang cokot itu nini
    Sanajan lain gé wantos

  4. Lamun enya ibuna da meureun ngaku
    Mun lain ambarkeun nini
    Bisi nu mundeur kasarung
    Enggal lungsur Gentra Sari
    Tiluhur kajero kaso

  5. Lir ibarat heulang nyabet hayam kitu

[ 229 ]


    Lampah anu dua putri
    Nyandak éta Ibu ratu
    Lajeng baé ngapung deui
    Teu kungsi barang parios

  1. Putri dua silih tinggal bari imut
    Nu dibawa teu ngalahir
    Nyaur salebeting kolbu
    Bet putri garesik teuing
    Mawa aing teu ngaromong

  2. Sarta aing dibawa ngapung kaluhur
    Na rék dikumaha aing
    Na ieu téh jin kitu
    Atawa nu ngaran ipri
    Atawa nu ngaran kayalon

  3. Kitu baé timburuna raja ibu raja Rum
    Komala jeung Gentra Sari
    Ngadasaran arék turun
    Tiluhur kanagri sumping
    Lajeng baé kakadaton

  4. Lajeng Erum eukeur calik dina bangku
    Ningali garwa dua sumping
    Sarta ngemban ibu ratu

[ 230 ]

    Prabu Anom teu ngalahir
    Ka ibu tacan wapaos

  1. Enggeus calik ibuna henteu sumaur
    Putrana nya kitu deui
    Ratna komala pihatur
    Sareng putri Gentra Sari
    Sumangga engkang parios

  2. Enya ieu ibu engkang nu kabur
    Atawana lain deui
    Lamun enya baé sukur
    Orokaya bisi lain
    Boh bilih rai kawalon

  3. Ratu Erum ngadawuh barina imut
    Engkang ogé ari nyai
    Teu terang karupa ibu
    Coba saur paman patih
    Duanana sing marios

  4. Patih gancang dibéjaan kanu nyaur
    Geus pada pating garidig
    Maruru ka ibu ratu
    Geus dongkap kalebet patih
    Patih dua nu teu poho

[ 231 ]

  1. Malah barang jol ogé patih nyaruuh
    Patih dua ting raregih
    Nangis barina pihatur
    Nutur lampah tina kawih
    Kitu-kitu patih nyarios

  2. Prabu anom midanget patih
    Pihatur
    Prabu Anom nyuuh nangis
    Barina ibu dirangkul
    Raja Anom sareng putri
    Anu nyandak gé ngarontok

  3. Ditangisan ku patih puguh kuratu
    Komala jeung Gentra Sari
    Nangis barina pihatur
    Punten baé ti sim kuring
    Tanya hormat kakolot

  4. Bawa tadi dirawu dibawa ngapung
    Ibu nganti dijingjing
    Ayeuna neda dimaklum
    Andaya sasih ngalahir
    Sukaréla ibu Anom

[ 232 ]

  1. Balikanan ibu pirang-pirang nuhun
    Rumaos dinyawaan deui
    Rumaos geus teu nyangaku
    Kana pihirupan deui
    Ibu geus ngakukeun maot

  2. Pada pukah patih ratu henteu nyuuh
    Komala jeung Gentra Sri
    Ibuna pada ngarungrum
    Nyarios waktu prihatin
    Sadaya sami hawatos

  3. Prabu Anom ngadangu carios ibu
    Soca beureum nangis deui
    Bari nyaur meungeus ibu
    Montong dipisaur teuing
    Patih jeung ama da maot

  4. Ayeuna mah da kuring nu jadi ratu
    Malah nu jadi patih
    Mang Masrut sareng Mang Daud
    Eta nu béla kakuring
    Estu ti orok dirorok

  5. Ayeuna mah geura siram baé ibu

[ 233 ]


    Panganggo sakabéh salin
    Kitu dawuh raja erum
    Geus lajeng baé ka cai
    Gentra Sari nyandak bokor

  1. Nata Déwi nu nyandak panganggo alus
    Sareng nyandak sabun wangi
    Angkat ngiring ibu ratu
    Sejana siram ka cai
    Nu ngiring pada ngaronom

  2. Lajeng siram mantu nu dua ngaruru
    Ceuk dongéng keusik berentik
    Cadas hérang batu hurung
    Hibar cahaya ning sasih
    Geus siram salin panganggo

  3. Anom deui bet sami jeung mantu
    Tambah geulis putri
    Hiji éta putra ibu ratu
    Diobeng mulih ti cai
    Kasmaran sakur nu nénjo


XXIX. Pupuh Kasmaran


  1. Énggalan asép kabumi

[ 234 ]

    Ibu ratu jeung mantuna
    Anu ngalayad ngaberes
    Para garwa pangkat-pangkat
    Pada nyandak pamasangan
    Dilebet ratu berhimpun
    Prabu Anom lejar manah

  1. Ningali ibu geus calik
    Ratu Anom seug ngandika
    Urang engeus ngeunah haté
    Taya anu dipikiran
    Urang kami mayar hutang
    Karana kaluar saur
    Paman patih urang hajat

  2. Nyalametkein ibu sumping
    Sakalian patih nikah
    Ka urut patih nu paéh
    Ki patih Daud nyaéta
    Ki patih Masrut jerona
    Nyata seliran raja Rum
    Anu geus wapat

  3. Ngancangna ki patih kawin
    Istri ubyag nu popolah
    Pangkat leutik pangkat gedé

[ 235 ]

    Ngurus nyieun balandongan
    Jeung ngumpulkeun tatabeuhan
    Ngaliud di alun-alun
    Tatabehan warna-warna

  1. Ménak kuring balawiri
    Anu maréntah pepeta
    Motong sapi motong embé
    Entog meri hayam soang
    Gancang nu olah popolah
    Geus haliwu anu ngubrug
    Dogentak-gentak kapala

  2. Geus tarapti nyeugeut bedil
    Keur ngaguruh tatabeuran
    Di nagara ramé gandéng
    Nu lalajo lalumpatan
    Tu Anom sukan-sukan
    Kocak katatangga lembur
    Mashur ka unggal nagara

  3. Siga gedi Erum nagari
    Ratu Anom nu keur pésta
    Disalin deui nyarios
    Anu kocap pulo denda
    Jenengan Raja Umbara

[ 236 ]

    Ari rajang geus sepuh
    Patihna radén Urawan

  1. Raja eukeur sumpeg galih
    Ngamanahan putra dua
    Ari éta putrana téh
    Pamenget masih ngaduda
    Jenengan Radén Cumina
    Anu hiji putra ratu
    Istri wasta Ratna Wulan

  2. Ratna Wulan langkung geulis
    Geus langka nyiar tandingna
    Ngan putri Mesir nu maot
    Ngan éta anu madanan
    Dina ka geulisanana
    Mun aya ampir sapatut
    Sareng putri Ratna Wulan

  3. Ari harita ning putri
    Anu geulis Ratna Wulan
    Dilamar ratu Salawé
    Ku ramana teu ditampa
    Raja lain henteu dowo
    Manah rudet pada ewah
    Kadieu-kadieu kumaha

[ 237 ]

  1. Lamun hampa ratu hiji
    Kumaha éta nu loba
    Sakitu manah raja téh
    Raja Umbara ngandika
    Ka putrana dén Cumina
    Jeung asep kumaha atuh
    Dulur ujang Ratna Wulan

  2. Nu ngalamar balawiri
    Ratu Salawe nagara
    Bet rada risi ama téh
    Sok inggis aya tungtungna
    Ari ngalamar bareng pisan
    Geus tinangtu bakal susah
    Sakitu kasusah ama

  3. Ayeuna ama pamikir
    Arék eureun jeneng
    Ku tina sabab geus kolot
    Ayeuna kumaha ujang
    Jeung éta jaga rusuhan
    Dén Cumina nyémbah hatur
    Nun ama kairing pisan

  4. Abdi gé nya kitu pikir

[ 238 ]


    Larisi kanu nanyaan
    Eta tangtu rusuh baé
    Nanging lamun widi (-2)
    Ama abdi arék widang sadaya (+3)
    Ana kocap ratu Erum
    Samalah keur cariosan

  1. Aya dua istri sakti
    Di nagara Pulo Salaka
    Gentra Sari jenengana téh
    Nu hiji Ratna Komala
    Tiasa ngubah awing-awang
    Eta istri dua taluk
    Ayeuna dianggo garwana

  2. Kitu carios nu sidik
    Ayeuna mun widi ama
    Putra rék ka dinya baé
    Ari perkawis nagara
    Ayeuna teu langkung ama
    Rék sérén ka Ratu Erim
    Sareng aceuk Ratna Wulan

  3. Sim abdi seja rék ngiring
    Kana kersa jeung rama
    Ki unjuk sakitu sotéh

[ 239 ]

    Putra mah ninggal ka ama
    Manawi kawilujengan
    Piunjuk putra sakitu
    Raja Umbara ngandika

  1. Aéh Asép bener téh teuing
    Ama raos diubaran
    Nya kitu pisan béja téh
    Geura dangdan saé ujang
    Poé ieu baé leumpang
    Ambéh gancang tumpak
    Manuk ngaran pakis sakadar

  2. Radén dangdan geus tarapti
    Geus amitan ka rama
    Enggalna geus lungsur baé
    Seug nyandak pakis sakadar
    Di pacul baé harita
    Lajeng ditumpak bur manuk
    Hiber ngambah awing-awang

  3. Tarékah ku di dadali
    Nu maragna tanding kuda
    Sumamber raket tanding walet
    Leumpangna manuk sakadar
    Paheula-heula jeung julang

[ 240 ]

    Kitu carios ki pantun
    Kadanca moro ka Ratna

  1. Ngagawir katebak angin
    Anu tunggang peupeureuman
    Bakayang Radén kawalon
    Nitihan manuk sakadar
    Lampahna salila sabulan
    Ti Pulo Denda ka Erum
    Nyungsiang soré geus dongkap

  2. Manuk nungkulan nagri Denda
    Ka Enum keur raraméan
    Réa pisan anu nongton
    Manuk sakadar ka handap
    Nu nitah radén Cumina
    Pada kagét urang Erum
    Sadayana ménak rama

  3. Euleuh manuk gedé teuing
    Itu ditumpakan jalma
    Na manuk naon éta téh
    Ceuk nu loba manik julang
    Ceuk sawaréh hayam barong
    Ceuk sawaréh Ratu Ciung
    Mana kuat ditumpakan

[ 241 ]


  1. Sang Ratu eureun ngalahir
    Paman patih coba téang
    Géhgér aya manuk gedé
    Na manuk naon ngarana
    Sarta aya nu numpakan
    Paman patih coba saur
    Geuwat paman diantian


XXX. Pupuh Kinanti


  1. Patih Daud gura-giru
    Nyaur anu tunggang paksi
    Enggalna Radén Cumina
    Ngadeuheus nyarengan patih
    Ratu Erum sengandika
    Cik ka dieu baé calik

  2. Rék andika nitih manuk
    Aya manuk ka dieu tapi
    Na manuk naon ngarana
    Mana alus-alus teuing
    Bieu téh mulih ti mana
    Numawi ka dieu sumping

[ 242 ]


  1. Bareng di mana nya matuh
    Ayeuna anyar pimanggih
    Sareng saha nya jenengan
    Di mana nya tuang bumi
    Anjeun naon nu diseja
    Nya ieu paksi sakadar (+1 padalisan)
    Kaleungeunan jisim abdi

  2. Abdi nyanggakeun bebendu
    Réhing abdi kumawani
    Ngadeuheus ka payun raja
    Abdi kirang temah wadi
    Torojong tanpa larapan
    Mugi timbangan jisim abdi

  3. Wiréhing sim abdi dusun
    Wantos abdi urang sisi
    Ti nagara Pulo denda
    Ari ngaran jisim abdi
    Ceuk nu nyebut Dén Cumina
    Numawi marek kagusti

  4. Abdi diutus ku sepuh
    Ti madenda rama abdi
    Pihaturna kanjeng rama
    Mendak gusti nutur galih

[ 243 ]

    Rama téh mindang saraya
    Neda tulung perang jurit

  1. Karatén alamat rusuh
    Di pulo Denda nagari
    Ratu salawé nagara
    Ngalamar ka lanceuk abdi
    Istri ngaran ratu Wulan
    Éta anu jadi margi
  2. <
  3. Ari éta para ratu
    Anu salawé nagari
    Teu aya anu ditampa
    Sabab ama ewed galih
    Numawi ngadeuheus
    Abdi kapayuneun gusti

  4. Sakitu sepuh kabingung
    Enggeus ngarurug ka nagari
    Numawi mindang saraya
    Ari upahan nagari
    Sareng dulur Ratna Wulan
    Éta mandak dipupuri

  5. Mandak katuang piunjuk
    Gamparan sumangga linggih

[ 244 ]


    Ka nagara Pulo denda
    Kalangkung melang sim abdi
    Sang Ratu Erum ngandika
    Aéh rai tong rusuh teuing

  1. Urang dahar heula hayu
    Atawa ngarot ci kopi
    Radén Cumina dihormat
    Mangga tuang heula kopi
    Eukeur pesta kasémahan
    Sok abong lamun teu ngiring

  2. Sang Ratu Erum ngadawuh
    Jadi kitu kersa rai
    Rama mundut di tulungan
    Mangga akang rék badami
    Jeung garwa anu dua
    Kumala jeung Gentra Sari

  3. Garwana dua disaur
    Kapamengkan kabéh calik
    Teu kantos sareng ibuna
    Sang putri Andaya Sasih
    Geus calik lebet pamengkang
    Ratu Anom seug ngalahir

[ 245 ]


  1. Ari ayeuna jeung ibu
    Masing jongjon calik
    Kuring dipindung saraya
    Ku ratu Denda nagari
    Sumeja rék karana Alloh
    Nulung anu perang jurit

  2. Putra neda jiad ibu
    Sareng ieu ka Nyai
    Ka nyai Ratna Komala
    Sareng ka Néng Gentra Sari
    Doakeun engkang rék leumpang
    Tatapi mangké ku nyai

  3. Lamun akang campuh tulung
    Upanten geus perang jurit
    Gero-gero dua ngawalon
    Nya atuh puguh téh teuing
    Piraku teu aya kelar
    Ka ngaranna ka salaki

  4. Gentra Sari mindo matur
    Engkang mangga pisan kuring
    Ulah dianggo rejad manah
    Najan sareng ogé kuring
    Raja Anom ngandika

[ 246 ]


    Ké baé nyai pandeuri

  1. Ngan akang rék mawa pecut
    Engkang ieu jimat ali
    Ratu Anom enggal dangdan
    Diraksukan sutra putih
    Sinjang poléng palang ruksak
    Paparin ti Nabi Hidir

  2. Heunteu tinggal ngaran duhung
    Sadia ngagem cameti
    Enggalna Ratu kaluar
    Barina ngalahir deui
    Mariksa Radén Cumina
    Kamana jalan rai

  3. Radén Cumina ngawangsul
    Ieu baé tunggang paksi
    Da hideung paksi sakadar
    Mangga tunggang sareng abdi
    Na kuat kira-kirana
    Cumina ngawalon deui

  4. Sapuluh jalma gé wantun
    Samalah kaluhur paksi
    Sedengna mah lima belas

[ 247 ]


    Ditunganganna paksi
    Karah bodas lahir raja
    Jung atuh sumangga rai

  1. Manuk depa ngarumpuyuk
    Radén Cumina ngalahir
    Mangga gusti meungpeung depa
    Palay dititihan paksi
    Ka duaan manuk indit


  2. Ditepa manuk geus biur
    Muluk ka gandawiata
    Basa ka ganda satengah
    Wiati tegeuna langit
    Sempaling ganda carita
    Aya galudra dilangit


  3. Erék nyabet kana manuk
    Radén Cumina ningali
    Unjukan gusti cilaka
    Karana itu tingali
    Di luhur manuk galudra
    Rék nyabet ka urang gusti


  4. Piunjuk Cumina kitu sang Ratu ngalahir
    Keun baé rai heulaan

[ 248 ]


    Lamun geus cameti
    Keur kitu nyabet galudra
    Di papagkeun ku Cameti

  1. Galudra ragag ti luhur
    Ka handap ngagubrag mati
    Ka ratu ngalahir téa
    Ragragna galudra mati
    Ratu salawé nagara
    Sami kagét naringgali


  2. Sadaya pada sumawur
    Bet asa galudra mati
    Na alamat naon éta
    Kitu saur raja haji
    Ari saur anu loba
    Ti naran nyai putri


  3. Dilamar ku para ratu
    Tacan aya nu ditampi
    Ari hartina galudra
    Eta téh diluhur langit
    Eta ratu Pulo Denda
    Manan mikeun suka mati

[ 249 ]


  1. Eta galudra téh kitu
    Ciciren Ratna beureuwit
    Anakna pada nanyaan
    Taya nu ditampa hiji
    Sugan arék ku manéhna
    Anakna éta dikawin


  2. Kitu saur para ratu
    Ari ceuk sawaréh deui
    Taksiran nya kitu pisan
    Nu matak urang ditampik
    Taya ayeuna mah urang
    Hayu urang lulung jurit


  3. Geus badami para ratu
    Pada sadia prajurit
    Masanggrahan dina tegal
    Dina tepis wiring nagri
    Sedengkeun nu masanggarahan
    Kacap ratu Erum sumping


  4. Tiluhur milihan manuk
    Sareng jeung Cumina deui
    Manuk sakadar ka handap
    Ratu teu ngarandeg deui
    Milebet ka padaleman

[ 250 ]


    Ratu Erum sup ka bumi

  1. Ka raja umbaran munjung
    Enggeus munjung raja linggih
    Sareng calikna satata
    Raja umbara ngalahir
    Kang putra ama haturan
    Raja Erum ngawalon manis

XXXI. Pupuh Dangdanggula


  1. Ratu Erum calik dina korsi
    Geus satata jeung raja umbaran
    Anu ngadeuheus ngabérés
    Pagkat sakabéh tarungkul
    Pangkat Radén Urawan papatih
    Sarawuh radén cumina
    Di payuneun tungkul
    Pangkat kabéh sami seba
    Geus gempungan ti lebet taruang kopi
    Raja umbaran ngandika


  2. Nun kang putra sukur enggeus sumping
    Tuang rama téh langkung ewedna
    Réh gaduh putra awéwé
    Dilamar ku para ratu

[ 251 ]


    Tur kamreg salawe nagari
    Teu aya nu ditampa
    Sabab ama téh ewuh
    Ari ditampa saurang
    Anu réa kantenan ka ama benci
    Ama rempang salawasna

  1. Éta kitu numawi diangkir
    Langkung risi ayeuna sadaya
    Kedah ditulungan ama téh
    Upanteu kang putra sanggup
    Ngajaga bakal balai
    Ama nyanggakeun nagara
    Saréng jenénga ratu
    Saréngna Nyi Ratnawulan
    Mun dimanah sugan purah ngala cai
    Sakitu pihatur ama


  2. Ratu Erum gumujeng ngalahir
    Jadi kitu keur kersa kanjeng rama
    Putra neda jiad baé
    Ayeuna mah para ratu
    Anu salawé nagari
    Ku ama kedah suratan
    Tangtuna ngulung

[ 252 ]


    Unggélkeun putra jeung ama
    Ratnawulan geus ditikah ku simkuring
    Kitukeun baé dina surat

  1. Raja sepuh ngadangu weweling
    Légar manah deui ngandika
    Sakitu nu diteda téh
    Kang putra nu kitu sukur
    Geura pék nulis ki patih
    Ari basana mah serat dawuh Ratu Erum
    Patih indit bari nyembah
    Lajeng angkat ka pabean patih nulis
    Basana cohag kirang adab
    (-1 Padalisan)


  2. Dateng Ratu salawé nagari
    Ku perkara sampéan ngalamar
    Nanyaan ka anak déwék
    Numatak déwék teu wangsul
    Ratnawulan geus boga salaki
    Samalah ditikahna mah
    Ti jaman kapungkur
    Ratu Erum nu kagungan
    Ratnawulan serat geus dicap sakali
    Kaula Raja Umbaran

[ 253 ]


  1. Radén patih miwarang prajurit
    Mawa surat gancang tumpak kuda
    Serat ditaro di kaléng
    Anu mawa sewu rusuh
    Kudana lumpat dikepit
    Kudana wani ngabudah
    Geus mapag di tungtung
    Teu maju kuda dicangcang
    Tungtungna mah badarat lumpat prajurit
    Nya éta nu mawa surat


  2. Urang tunda lumpatna prajurit
    Mawa surat utusan sang raja
    Kocap ratu nu salawé
    Geus sadia serdadu
    Sanggrahan wates nagari
    Balad nu salawéna raja
    Dihijikeun campur
    Balad pirang-pirang laksa
    Masanggrahan ratuna kabéh badami
    Sasuran pada raja


  3. Keur lahirna mangga baé rai
    Susul saur karaja umbaran
    Puguhkeun omong baréto
    Purun teu puru sing puguh

[ 254 ]


    Éta dénok nu éta si putri
    Ka saha daékeunnana
    Ratnawulan ayu
    Lamun teu do'a kalayatna
    Ulah magar teungteuingeun baé abdi
    Ku kakang hadé ditumpesan

  1. Kitu saur ratu anu hiji
    Pok nu réa leres pesan kakang
    Bapana mun do'a téh
    Moal enya bisa hirup
    Geus moal béda nu loba
    Kuring gé nya kitu
    Pék pok raja anu loba
    Da urang mah lamun teu milik nu geulis
    Pulo Dénda di balik lemah


  2. Nagarana dibarukeun deui
    Ditumpas ngan éta anakna
    Anu hadé dikarikeun téh
    Karana langka nu kitu
    Geulis teu aya nu tanding
    Lamun henteu kalakonan
    Nu lemes kacium
    Ceuk sawaréh leres akang
    Eukeur kitu raja salawé nagari

[ 255 ]


    Jol datang nu mawa surat

  1. Para ratu sadaya ningali
    Kautusan song nyaga surat
    Geus henteu nunggu pangwalon
    Ki utusan gura-giru
    Pada nénjo kabéh prajurit
    Aya anu ngahaokan
    Utusan murugul
    Ki utusan gagancangan
    Ungguh lumpat diudag henteu katepi

XXXII. Pupuh Pungkur



  1. Kebat utusan nu lumpat
    Langkung gancang di udag henteu ka tepi
    Surat ku salawé ratu
    Diriung pada maraca
    Unggal surat kamanah ku para ratu
    Yen surat nangtang perang


  2. Aya rai raja Umbaran
    Olo-olo mun kitu pangiang teuing
    Midang saraya ka Erum
    Na éta pantar kumaha
    Ratu Rum wani ngamusuh kapara ratu

[ 256 ]


    Teu ngahoeun urang garagah
    Loba balad sarakti (-i)

  1. Ayeuna baé rurugan
    Enggal mangkat ratu salawé nagara
    Baladna riab ngaguruh
    Warna-warna pakarangna
    Puguh tumbak nu mawa gegeder ruyung
    Aya nyoren gobang
    Geus puguh nu nyoreng keris


  2. Nyoren bedog nyoren gobang
    Nu garangang calengka bejana matih
    Kocapkeun kuda jeung pepentung
    Panugur linggis jeung kampak(+i)
    Geus leugeudet ngaguruh jeung sora tambur
    Tarompet jeung kendang penca
    Melas-melis sora suling


  3. Bandera pating harelab
    Prajurit bareng baris manggul badil (-i)
    Carék omongan ki pantun
    Ti hareup bagus keuneungna
    Nu titukang bagus peureup erék numbak (-u)
    Tukang surak tukang emprak
    Anu matang ting jarerit

[ 257 ]


  1. Sigeukkeun nungarurugan
    Kacaturkeun raja Umbaran nagari
    Sarawuh jeung ratu Erum
    Midangét gamelan perang
    Jeung nu surak raja Umbaran ngadawuh
    Éta anu ngarurugan
    Ki patih naha bet cicing


  2. Pék hayukeun balad urang
    Prajurit budalkeun kawal titangsi
    Nulung-nulung ratu Erum
    Kitu dawuh sang Umbaran
    Ratu Erum enggal lungsur nyandak pecut
    Saréng jeung Radén Cumina
    Pada nenjo prajurit (-i)


  3. ratu salawé baladna
    pada ngomong bet sasar pita teuing
    dilawn kudua musuh
    geus moal kungsi ku raja
    keur urang gé mawa seubeuh
    nyabok musuh
    ratu Erum ditarajang
    dirorom ku prajurit

[ 258 ]


  1. di babuk gémpur sapisn
    prajurit ka ratu Erum ngabedil
    ana keuna duka ka musuh
    geus cekcok pada gagaman
    ratu Erum sor maju mabuk ku pecut
    nu geus modar patulayah
    tungtungna patumpang tindih


  2. nu dicameti ngan dua
    anu paéh lima puluh tingjumpalik
    kahebos ku angin pecut
    anu modar pabalatak
    putra raja adén Cumina ti pungkur
    ngan merangan hiji dua
    jeung ngamukkeun ku keris


  3. ratu Erum pangamukna
    henteu pilih geus bubak-babuk cameti
    balad musuh ting jarungkung
    para (....) masing loba
    balad musuh ratu Erum geus liwung
    caturkeun patih Urwan
    seug ngabudelkeun prajurit


  4. riba muru kapayuna
    prajurit pulo dénda masing wani

[ 259 ]


    lalumpatan pada muru
    dur ngabedil sadayana
    prajurit silih bedil perang campuh
    silih pedang silih tumbak
    rame surak ting ngajerit

  1. ratu saawe nagara
    geus sosoak ngabudalkeun balad deui
    rosa balad para ratu
    ratu Salawé nagara
    nu susumbar mana-mana ratu Rum
    coba jeung aing lawanna
    montong ngarusak nu leutik


  2. sok jeung raja umbaran
    geura bijil ku aing arék di bedil
    teu puas mun teu karingkus
    bongan ngorékkeun anak
    ratu jadi ngahina ka pada ratu
    marukan aing malarat
    Mun teu nyaho aing sugih


  3. Kitu ratu susumbar
    Ratu Erum tonggoy ngamuk ku cameti
    Panon geus surup
    Anu perang lahan kalah

[ 260 ]


    Pada mundur turugtug pukulan tambur
    Tanda yen ngeureunan perang
    Pada eureun perang jurit

  1. Para ratu masanggrahan
    Ratu Erum berhenti ngaleueut nu ngaping
    Patih Urwan ti pungkur
    Sarawuh radén Cumina
    Nitah kuda enggeus burit mulih rusuh
    Barang sumping ka nagara
    Sedéng pukul lima magrib


  2. Ratu Erum geus lenggah
    Carios perlampah waktu jurit
    Piunjuk ka raja sepuh
    Sang Umbaran suka manah
    Ngadangukeun mihaturna Ratu Erum
    Gumujeng raja Umbaran
    Midangét putra wawarti


  3. Radén Cumina carita
    Saréng patih nyarioskeun perang jurit
    Unggul yudana Ratu Erum
    Sigeug lampah eureun perang
    Kacarios sang putri ti nagri Erum
    Gentasari jeung Kumala

[ 261 ]


    Sarawuh andaya sasih

  1. Ibuna ratu ngandika
    Naha eulis tuang raka téh bet lami
    Boga salempang baé ibu
    Ku eullis mudu dilanglang
    Tuang raka salamet henteuna diditu
    Saréng raka geus wewelas
    Kapan ka salira nyai


  2. Kitu pilahir ibuna
    Géntrasari pihatur jeung Natadewi
    Nun sumuhun dawuh ibu
    Leres engkang téh nyalira
    Malah engkang kamari téh perang pupuh
    Perang jeung kuricakan
    Lain henteu nyaho kuring


  3. Mun isuk akang perangna
    Enggeus tangtos jeung ratu salawé nagari
    Tanwandé simkuring ibu
    Badé ariang duaan
    Saréng acek Ratna Kumala kaitu
    Engkang bisa kumaha onam
    Tapi mual mundur jurit

[ 262 ]XXXIII. Pupuh Durma


  1. Géntrasari jeung Dewi Ratna Kumala
    Sasuran tanggah pating
    Saréng mertuana
    Malah geus deukeut ka beurang
    Majeng dangdan Géntrasari
    Ratna Kumala
    Pada dangdan geus tarapti (-i)


  2. Sami amit sang putri ka mertuana
    Geus idin lungsur ti bumi
    Putra duanana
    Gentrasari jeung Kumala
    Terus ngapung tengah peuting
    Ka pulo Dénda
    Badé nilik nu perang jurit (+2)


  3. Kacarurkeun ti peuting waktu ngapung
    Kocapkeun geus beurang deui
    Lampah nuy perang
    Ratu nu Salawé nagara
    Geus sadia mapag baris
    Rame gamelan
    Bendé meunggeus dititir

[ 263 ]


  1. Jeung mariam bedil tanggara disundutan
    Geus eundeur ka jero nagari
    Radén patih Urawan
    Kagét jeung radén Cumina
    Sang ratu Erum narpati
    Pada iatna
    Enggal majeng geus diiring


  2. Ratu Erum nitih kuda pajenéngan
    Pajenéngan nama aji
    Sang raja Umbaran
    Kuda gagah ngiring malang
    Langkung gonjlang waktu ngirig
    Radén Cumina
    Kudana dawuh Raspati


  3. Radén petih kudana beureum baralak
    Calangap beukieun gétih
    Geus rancung ceulina
    Pungkureun wadia balad
    Prajurit musuh caringcing
    Nenjo lawan
    Patemu bongan dor ngabedil


  4. Sami wani gagaman pada gagaman
    Dor-dor anu silih bedil

[ 264 ]


    Jeung radén Cumina deui samiatna
    Nilikan balad leutik

  1. Silih bedil silih kadek silih tumbak
    Prajurit salaw nagari
    Masih keneh rosa
    Prajurit ti pulo Dénda
    Loba pisan anu mati
    Ampir rék beak
    Sang ratu Erum ninggali


  2. Kebat jeung ratu Erum nitih kuda
    Bari ngamuk ku Cameti
    Réa musuh gémpar
    Diamuk deui ku raja
    Radén Cumina jeung patih
    Pada narajang
    Parangna geus henteu pilih


  3. Ratu Erum awas ningali ka garwa
    Komala jeung Géntrasari
    Ku ratu gajahna
    Balad dipeupeuh malodar
    Anu tumpak tibalik
    Ragrag ngalungsr
    Diburu dirante beusi

[ 265 ]


  1. Ku Cumina jeung ku Patih Urawan
    Para ratu maju deui
    Sang putri ngalayang
    Seot nu ngabet ka handap
    Para ratu henteu eling
    Ditajong ragrag
    Ku sang putri Géntrasari


  2. Maju deui para ratu nitih gajah
    Kocap putri Natadewi
    Sang Ratna Kumala
    Kahadang turun ka handap
    Rawuh putri Géntrasari
    Nampiling gajah
    Ratu sami tibalik


  3. Gajah nyandak deui cameti ku rakana
    Putri muru nu tibalik
    Ti jamak nu ragrag
    Moro dén patih Urawan
    Para ratu geus beurag deui
    Dku istri dua
    Sakabéh dirante beusi


  4. Ratu Erum sosoak miwarang surak

[ 266 ]


    Raja nu salawé nagari
    Kabéh dicangkalak
    Nu hirup baladna lumpat
    Ku ponggawa pék di berik
    Sawareh beurang
    Ari nu sawareh deui

  1. Lumpat leupas ka leuweung lapur teu beunang
    Sawareh nu nyumput ngan buni sirah
    Bujurna nyemplong ka luar
    Ka panggih ki tangkep deui
    Loba nu beunang
    Ku hulu balang di giring
    (-1 padalisan)


  2. Para ratu anu salawé nagari
    Kabéh dicangkalak beusi
    KaRadén Cumina
    Rawuh ku patih Urwan
    Komala jeung Géntrasari
    Sang rakana
    Ratu Erum ngalahir


  3. Ari nyai badé ngiring ka nagara
    Pada matur dua putri
    Jisimkuring engkang

[ 267 ]


    Hoyong ngiring ka nagara
    Ngantosn di Erum kuring
    Amit ka engkang
    Putri dua ngapung deui

  1. Sadayana ninggali ka luhur tanggah
    Pada ngalah ngomong muji
    Ka Ratna Komala
    Ieu istri leuwih gagah
    Istri geulis téh tur skti
    Ceuk menak rama
    Nu ngalem ka Géntrasari


  2. Para ratu rumaos kawon jurit
    Ratu salawé mucicid
    Taya nu sasauran
    Dirante untuy-untuyan
    Ratu Erum seug ngalahir
    Ieu babandan pokiangkeun ka nagari


  3. Ku kang patih saréng ku radén Cumina
    Kaula mangkat pandeuri
    Jeung kabéh boyongan
    Ari babandan ratuna
    Sakabéh panjara beusi
    Ku kajeneman

[ 268 ]


    Kitu dawuhan jeung Gusti

  1. Sami bubar para ratu dicangkalak
    Tina urut perang jurit
    Dongkap ka nagara
    Ninggali raja Umbaran
    Gumujeng bari ngalahir
    Éta kurah raja
    Geuning saur ugan teuing


  2. Bisa kalah anjeun ku jalma saurang
    Ratu Erumnyata sakti
    Kitu dawuh raja
    Seug deui raja nembalan
    Sangkan téh enya sarakti
    Ayeuna beunang
    Para ratu langkung isin


  3. Karah kitu ari nu gagah para raja
    Sauran sang Umaranaji
    Sadaya teu ngocap
    Ratu salawé nagara
    Kebat dipanjara beusi
    Ratu boyongan
    Ratu Erum jeung sumping

[ 269 ]



  1. Sang Urawan miwarang mapag sang putra
    Geus tepang silahturahmi
    Putus sasalaman
    Malebu ka padaleman
    Sami calik dina korsi
    Ratu stata
    Saréng sajajar tuang kopi


  2. Geus burit gédong diseungeutan damar
    Babadan kabéh dibui
    Dijaga ponggawa
    Patih jeung Radén Cumina
    Tuang kopi saréng patih
    Radén Cumina
    Marando payuneun gusti


  3. Enggeus wengi Raja Erum enggal tuang
    Diladénan keur sang putra
    Enéng Ratnawulan
    Ngareret ku juru soca
    Ka raja Anom neang putri
    Raja ninggalan
    Rada wirang neang putri

XXXIV. Pupuh Pirangrong [ 270 ]


  1. Ratu Erum ngalahir
    Ka ramana cacarios
    Perkawis para ratu
    Isukan parios deui
    Nya sotéh geus dirantean
    Tacan dipariksa enya


  2. Taluk henteuna bupati
    Kitu hatur ratu Anom
    Raja Umaran ngadawuh
    Kituna teu awuh teu sing
    Ratu slawe nagara
    Ayeuna geus dipanjara


  3. Pikir ama henteu risi
    Para ratu geus dibarawa
    Saur penteun henteu taluk
    Ku putra dihukum pati
    Kitu sotéh pikir Ama
    Teu langkung manah kang putra


  4. Saréng ayeuna geus wengi
    Kang putra geus palay nyabak
    Kitu dawuh raja saur
    Ratu Anom matur deui

[ 271 ]


    Montong pusing ayeuna mah
    Moal sami ogé bareng

  1. Ratu sepuh gawe tong calik
    Saréng ratu Wrum Anom
    Nyarios dongkap ka isuk
    Kocapkeun geus beurang datang
    Ratu Erum seug nembalan
    Ka radén patih Urwan


  2. Emang ratu salawé nagari
    Kasurakkeun tina berok
    Patih indit kurah-kiruh
    Geus dongkap ka bumi patih
    Lawangna bumi di buka
    kaluar
    Para ratu geus


  3. Sertana dirante beusi
    Diaping dijero berok
    Dirante diparayun
    Diaping ku tumbak bedil
    Patih Urawan téheula
    Pék dilanderot dipamengkuh


  4. Ratu Salawé nagari
    Payuneun raja marah

[ 272 ]


    Ratu Erum seug ngadawuh
    Ayeuna rék nanya kami
    Ka para ratu sadaya
    Hayang hirup teu hayang paéh

  1. Mun hayang paéh dipeuncit
    Nyaba kami hayang nyaho
    Lamun pamanhayang hirup
    Kudu ngawula ka kami
    Sarta teu jadi raja
    Para ratu mun kaula


  2. Ngan sakitu nanya kami
    Nyaba kabéh geura walon
    Para ratu tungkul wangsul
    Abdi neda hokum adil
    Mugi ulah dipaéhan
    Sumeja pisan ngawula


  3. Badé ngalebur tangkal gusti
    Abdi sumpah bisi bongan
    Pada sumpah para ratu
    Ratu Erum ngadika deui
    Ka patih jeung ka Cumina
    Éta cangklekna laan

[ 273 ]



  1. Geus cucul cangklekna beusi
    Tina salira sang kulon
    Ku Ratu Erum di saur
    Sina caralik kana korsi
    Ka Ratu Erum munjungan
    Rawuh ka raja Umbaran


  2. Erum ratu ka sami ajrih
    Ku sang ratu Erum Anom
    Saktina pinunjul
    Para ratu kawon jurit
    Pada mando dipayuneun
    Tungkul henteu sasauran


  3. Ratu Nawang ngadawuh
    Ayana mah katom
    Kabéh tetep jenéng ratu
    Sumangga geura marilih
    Tatapi ari ngawulang
    Ka nagara pulo Dénda


  4. Gégéndénna Erum nagari
    Anu ngaraeh saamturo

[ 274 ]


    Dawuh ratu Erum kitu
    Para ratu hatur bakti
    Ngalawon hatur sumangga
    Sadaya ngiring pangérsa

  1. Geus tuntas timbalan aji
    Henteu panjang dicarios
    Lajeng jengkar para ratu
    Raja Umbaran ngalahir
    Ayana seja kang rama
    Seja nyanggakeun panjenengan


  2. Saréng anak hiiji istri
    Lumayan keur purah nenjo
    Sumangga candak ku ratu
    Ama sumeleh nagari
    Mugi ku putra dimanah
    Nagara saréng abdina


  3. Ama téh geus ngeunah pikiran
    Tiis ceuli ngeunah nejo
    Sabab Am a gues seugut

[ 275 ]

Sautak-saetik belik
Enggeus punah nya pikiran
Henteu cara eukeur nyoro



XXXV. Pupuh Sinom


  1. Nya kitu dauhan raja
    Ratu Erum seug ngalahir
    Rama masihan nagara
    Kateda kasuhun teuing
    Ngaping panuhun simabdi ayana nu jenéng ratu
    Putra Ama da Cumina
    Ari ieu putra istri
    Ratnawulan ku putra badé ditikah


  2. Raja Erum kitu saurna
    Raja Umbara ngalahir
    Ngiring kersa kang putra
    Ama mah sadaya ngiring
    Sumeleh putra sasiki
    Ayana mung manah kitu
    Kojot mah ngan rék nyaksian ratu badé nikah nyai
    Dén Cumina sukur mung ngagéntos ama

[ 276 ]


  1. Enggalan ratu Erum nikah
    Maskawin sataleum ringgit
    Duhungna nu dipajengan
    Ciciren sang ratu kawin
    Da patih nu ka maisigit
    Wakil tikah ratu Erum
    Ku panghulu dilapahan
    Geus putusan ratu Erum kawin
    Patih indit nyanggakeun tikah ka raja


  2. Ratu Erum geus sasalaman
    Ka ramana jeung putri
    Raja Umbaran ngandika
    Ayana ngélehkeun nyai
    Ama titip siang wengi
    Sumangga candak ka Erum
    Ari ieu Dén Cuminna
    Dikersakeun mangku nagari
    Papatihna ditetepkeun Dén Urwan


  3. Jegur mariam disada

[ 277 ]


    Tanda rama nyeren nagari
    Geus kocap ka perhiangan
    Masur ka unggal nagari
    Raja Umbaran digénti
    Putranaa nu jenéng ratu
    Wasta Mas Radén Cuminna
    Abdi putra aya panuhun ka rama
    (-1 padalisan)

  1. Perkawis manuk sakadar
    Badé dibantun manawi
    Aya idin kersa Ama
    Ku putra ka Erum nagari
    Raja Umbara ngalahir
    Sae pisan hurung sukur
    Karana badé
    Tunggangan
    Siang gé mo burung sumping
    Sabab gancang lampahna pakis sakadar


  2. Enggal sang ratu Erum dangdan
    Sejana badé marulih

[ 278 ]


    Saréng enéng Ratnawulan
    Jeung candak embank pangiring
    Opat enggeus tarapi
    Enggal ratu nitih manuk
    Nagrendéng saréng rakana
    Teu kantun emban pangiriring
    Tunggang manuk ditangkal pakis sakadar

  1. Biur ngapung ngawang
    Muluh ka pandawian
    Lampahna pakis sakadar
    Ngadalingding kadi angina
    Manuk mabur alak-ilik
    Ngungkulan nagri ka Erum
    Ngalayang dasar ka handap
    Geus pada kabakti ningali
    Pangka-pangkat kabéh ceuk-ceuk dipaseban


  2. Pada muru ka ratu
    Patih dua ngudak kunti
    Geus tepang sami munjungan
    Ratu ka lebet diiring

[ 279 ]


    Nata Dewi Géntrasari
    Mapagkeun bari imut
    Manah eyang Ratnawulan
    Sieun pacampur jeung isin
    Rumaosna yen ngarebut carogéna

  1. Ibu ratu ka mantuna
    Mangga ngalayang ka sang puteri
    Rada lipur Ratnawulan
    Manahna teu isin teuing
    Reh aya nu ngasing-ngasing
    Nya éta ibu sang ratu
    Maru na mah rada geuwat
    Geuwat sotéh ngalem muji
    Ku geulisna ayang Ratnawulan


  2. Ratu Erum ngajeng lenggah
    Komala jeung Géntrasari
    Mayunan sang Ratnawulan
    Saur ibuna deui
    Garwa pangkat pada sumping
    Ka lebet nyari pupundut

[ 280 ]


    Geus ngalayah pamasapan
    Gémpunagan di lebet istri
    Pangkat-pangkat sadayana sami seba

  1. Marando payuneun raja
    Pangkat géde pangkat leutik
    Enggal ratu barangtuang
    Istri-istri tuang kopi
    Geus puguh dipatih mantra
    Ngaleueut payuneun ratu
    Ratu bari sasauran
    Nyarioskeun perang jurit
    Para ratu salawé putus ngawula


  2. Géntrasai seug ngandika
    Ayeuna mah sukur teuing
    Enggeus calik Ratnawulan
    Aya ulah gindih kalih
    Ku aceuk ulah isin-isin
    Sapedah ka eceuk maru
    Maru sotéh carék basa
    Mudu ngawula ka takdir

[ 281 ]


    Bagja urang pamegét hiji ku tiluna

  1. Sakitu baé nya manah
    Nyai putri Géntrasari
    Ari saur sang Komala
    Saleresna pisan euis
    Nu bakal tetep jeung ratu
    Aceuk mah seja ngawula
    Kumaha parentah eulis
    Saréng engkang sakitu nu diantian

XXXVI. Pupuh Kinanti


  1. Sang Ratnawulan pihatur
    Kuring mung kitu ajrih
    Saur aceuk rék ngawula
    Balik-balik jisimkuring
    Aceuk ka maksad ngula
    Karantun kuring pandeuri


  2. Malah keur lahirna sepuh-sepuh
    Kuring pulang ngala cai
    Sinareng ngahaja ngarasakkeun

[ 282 ]


    Jisim kuring seja ngabdi
    Kitu hatur Ratnawulan
    Putri dua walon deui

  1. Nyai aceuk ngomong kitu
    Terus jeung ati manawi
    Ngawula ti kaanggangan
    Ayeuna ka engkang amit
    Dek muru Pulo Salaka
    Di Erum nu tetep nyapi


  2. Ratu Erum seug ngadawuh
    Nyai téh arék marulih
    Atuh nyai dangdan-dangdan
    Enggalna putri karapi
    Ka rakana marunjungan
    Komala jeung Géntrasari


  3. Teu kantun ka ibu rama
    Saday silaturahmi
    Pangkat-pangkat marunjungan
    Ka putri dua marulih

[ 283 ]


    Ari enggeus sasalaman
    Komala lungsur ti bumi

  1. Ratu jeung ibuna lungsur
    Ningalikeun ka nu mulih
    Géntrasari jeung komala
    Geus ngadedel pertiwi
    Biur ngapung ngawang-ngawang
    Geus marulih Géntrasari


  2. Sarépuh Komala Ratu
    Pada kagaet nu ningali
    Upacara para emban
    Pada ngalem kangjeng putra
    Pangkat kabéh sasauran
    Istri dua sami sakti


  3. Caturkeun deui sang ratu
    Geus asup deui ka bumi
    Sarépuh Néng Ratnawulan
    Ku ibu ratu diasih

[ 284 ]


    Ka mantu kawas ka putra
    Ibuna Andayasasih

  1. Lami-lami Ratu Erum
    Geus na lebet puri
    Sasepuh Néng Ratnawulan
    Di deuheusan patih mantra
    Sabab poe anu seba
    Pangkat géde pangkay leutik


  2. Ratu Erum seug ngadawuh
    Aya mah paman patih
    Jeung sakabéh pangkat-pangkat
    Jeung urang munar bari
    Karana urang geus ngeunah
    Sabab teu aya nudipikir


  3. Ratu Salawé geus taluk
    Kangjeng ibu geus ka nagari
    Asup kana paribasa
    Tiis poe herang cai
    Jeung éta paksi sakadar

[ 285 ]


    Pétakeun ku emang patih

  1. Imahna kudu sing alus
    Ari enggeusna adu manis
    Ku emas perak salaka
    Sarta jero pancaniti
    Saur kemasan nu bias
    Tukang ameng nu binangkit


  2. Nyieun parantina nginum
    Eujeung pamakanan deui
    Ku emas eujeung suasa
    Sabab kalakenan nyai
    Nu kagungan Ratnawulan
    Pakis sakadar dipusti


  3. Sakitu pilahir ratu
    Patih nyembah lajeng indit
    Saur kemasan nu bisa
    Nyieun tempat éta paksi
    Enggal paksi sakaldar
    Geus tetep di pancaniti

[ 286 ]


  1. Lami-lami Ratu Erum
    Dalem na keur ngomé nagri
    Singkat kaindaning carita
    Kocap sang raja Yamani
    Tegésna ratu siluman
    Nyaéta ngaran Yamani


  2. Balad ka buta wungkul
    Patihna nya kitu deui
    Ngarana buta Angkara
    Pék nganggo maruk min
    Baranang inten berlian
    Mahkota raja
    Geus sadia nyoren pedang
    Raja Yamaniti


  3. Raja ti imahna turun
    Heunteu kalawan ring
    Alak-ilik diburuan
    Enggal ngadeudeul perkawis

[ 287 ]


    Biur ngapung ngawang-ngawang
    Kadi paksindang génis


XXXVII. Pupuh Dangdanggula


  1. Geus diliur sang raja Yamani
    Nilik putri kaunggal nagara
    Kabur ngalayang baé
    Beurang peuting raja ngapung
    Sikan putri nu geulis
    Ngajajah unggal nagara
    Mani teu nimu
    Istri anu liweuh endah
    Sarta raja ngungsi unggal nagari
    Sarta mindah-mindah rupa

  2. Sakapeung mah jadi aki-aki
    Kundang iteuk ka unggal nagara
    Ngilikan awéwé hadé
    Geus weléh teu manggih ngapung
    Jajah desa nyungsi nagari
    Unggal pulo diteang
    Euweuh istri alus

[ 288 ]


    Raja Yamani ngalayang
    Ngawang-ngawang diluhur karep rék maling
    Kebat ka Erum nagara

  1. Kacaritakeun Ratnawulan putri
    Rék ka jamban angkat dijenéngan
    Nu ngiring teu tinggal sarébét
    Jarang bokor wadah sabun
    Henteu tinggal jeung jeruk mipis
    Ratnawulan lajeng siram
    Pangiring nagriung
    Geus parantos putri siram
    Lajeng hanjat Néng putri mulih cai
    Raja Yamani jol datang


  2. Salin rupa jadi nini-nini
    Teu kanyahoan éta ponggawa datangna
    Geus aya lebet baé
    Ratnawulan seug ngadawuh
    Arék naon ieu nini
    Na nini téh urang mana
    Bet kalebet asup

[ 289 ]



    Nini-nini matur nyembah
    Ari pokna akan nini rék musafir
    Anu mawi ngadeuhues

  1. Kitu omong anu nyamar nini
    Lahir putri si nini karunya
    Geuwat emban nini béré
    Lusa bawa heula ka dapur
    Nyi emban indit jeung nini
    Raja Yamani pikirna
    Sajeroning kolbu
    Nya ieu nu diteangan
    Ratu mana awéwéna alus teuing
    Dalah ayeuna meunang


  2. Kitu pikir raja Yamani
    Ku nyi emban ka dapur dibawa
    Pék dibéré sangu poe
    Api-api rék dibungkus
    Sarta waktuna geus burit
    Raja Erum teu uninga

[ 290 ]



    Aya raja nyamar
    Ratnawulan teu unjukan
    Ka rakana marukan samarang nini
    Puguh gé bangsat babangkal

  1. Ratu Erum ebog jeung geurwa geus wengi
    Nu dek maling nipukeun sirepna
    Sanagara Erum jempé
    Pada saré eusi dapur
    Kaluar raja Yamani
    Ti dapur ka bumi raja
    Ka karaton asup
    Top dicolong Ratnawulan
    Geus dibawa kaluar raja Yamani
    Tuluy ngaping deui raja


  2. Ratnawulan teu usik
    Tong nya kulem nyai Ratnawulan
    Kilang dikelek disangkeh
    Ku bangsat dibawa ngapung
    Enggalna raja Yamani
    Ka nagara geus ngungkulan

[ 291 ]


    Rék kahandap turun
    Sup asup ka padalaman
    Diasupkeun Ratnawulan saréna lilir
    Ningali ratu siluman

  1. Ratnawulan ngoceak ngajerit
    Langkung gila ningali rupana
    Huntuna ngareluk rogés
    Néng Ratnawulan murungkut
    Sajeroning jerat-jerit
    Kagét sakabéh siluman
    Malah Nyi Mayang Erum
    Keur saré ngorejat cengkat
    Bari ngucap rama kabeneran teuing
    Nyandak putri liweuh nyandah


  2. Heunteu pantes éta mah ibu kuring
    Sieup dulur kuring téh kadinya
    Sabab putri geus anom
    Kitu saur Mayang Erum
    Negandika raja Yamani
    Nyai pék atuh upahan

[ 292 ]


    Béré inten jamrud ulah sina jejeritan
    Sina répéh sabab ieu masih peuting
    Erék dipandang ku bapa

  1. Bari nempo sang raja Yamani
    Ratnawulan déngkul kakajayakan
    Nangis henteu répéh-répéh
    Ngahiung dongkap ku isuk
    Kocapkeun geus beurang deui
    Kasigeug ratu siluman
    Nu kocap di Erum
    Ratu kaleungitan garwa
    Papariksa kasaban anu di bumi
    Kapungkur pada néangan

XXXVIII. Pupuh Pungkur


  1. Geus guyu di padaleman
    Gulang-gulang upacara balawiri
    Néangan pawarang ratu
    Sang raja tur sosoak
    Para mantra patih dua lumpat muru

[ 293 ]


    Bareng raja ngandika
    Na kamana atuh nyai

  1. Naha saha anu mawa
    Paman patih kamana urang nyasi
    Ki patih Daud teu wangsul
    Hiji emban rék unjukan
    Nun jeung gusti sim abdi gaduh pinunjuk
    Kamari gaduh pamendak
    Ninggali hiji nini-nini


  2. Nusafir ka Agan Emas
    Malah miwarang di dapur jeung abdi Gusti
    Teu katawis anu nyamur
    Pangiten Gusti ku éta
    Dibawana sabab teu aya di dapur
    Pangadatang heunteu bebeja
    Tur balik henteu pupulih


  3. Lamun kitu Gusti moal gagal
    Nyangling nini mana kitu gé ratu sakti
    Tapi kamana nya nyusul

[ 294 ]


    Paman patih nyieun serat
    Pék bejaan para ratu kabéh saur
    Anu salawé nagara
    Enggal salawé nagara
    Enggalna Ki patih nulis

  1. Nyieun surat buat kebat
    Ratu Erum pék lungsur jeung neja ka bumi
    Tilu kali baris nyaur
    Ari kasauranana
    Géntrasari ieu engkang buru-buru
    Jeung nyi Ratna Komala
    Engkang buru beurang peuting


  2. Sakitu panyambat raja
    Hentau lila jebul dua putri
    Dirangkul ku ratu Erum
    Ratna Komala ngandika
    Aya naon engkang nyaur rusuh-rusuh

[ 295 ]


    Kitu hatur sang komala
    Ari saur Génrasari

  1. Engkang sumangga popoyan
    Ieu abdi garwa engkang Gentrasari
    Aya naon nyaur rusuh-risuh
    Pihaturna garwa dua
    Raja Erum sumaur semu nu nguyub
    Nguyub ku Nyi Ratnawulan
    Saré hing aya nu maling


  2. Nyi engkang langkung susah
    Ratnawulan patih aya nu maling
    Bingung kamana nya nyusul
    Jeung éta nu maling éta saha
    Lamun raja raja mana rék disusul
    Deukeut engkang gé diteang
    Numatak meeskeun Nyai


  3. Sakitu pilahir raja
    Istri dua ngawangsul barina seuri

[ 296 ]


    Kersa engkang téh sakitu
    Manah engkang entong reuwas
    Keun ku abdi da moal burung katimu
    Manasih Beulah ka poyan
    Kapan abdi incu nini

  1. Kitu walon istri dua
    Ayeuna mah tong dianggap risi galih
    Moal enya rai lapur
    Sumangga rai néangan
    Ratnawulan tétéla dibawa ngapung
    Dipaling ratu siluman
    Ngarana raja Yamani


  2. Ngan éta kalangkung gagah
    Atuh sakti jeung patihna unggul jurit
    Baladna ka buta wungkul
    Saréng raja boga anak
    Putri geulis ngarana Nyi Mayang erum
    Lamun kamanah ku engkang
    Mangga ku abdi dipaling

[ 297 ]


  1. Kitu hatur istri dua
    Ratu Erum lejar manah terang galih
    Sumaur barina imut
    Sukur Nyai mun kitu mah
    Nyusul paling bisa maling deui ti ditu
    Ayeuna geura pék miang
    Engkang hayang nenjo putri


  2. Garwa dua ngadelekan
    Tuluy indit gumujeng putri
    Pameget komo atuh
    Dibéjaan bikang lenjang
    Ngajujurung palay geura gok patepung
    Kitu lahir sang Komala
    Sareng saur Gentrasari


  3. Duaan geus kaluar
    Natadewi sareng Gentrasari
    Duanana biur ngapung
    Ngabujeng nagri siluman
    Gentrasari jeung Ratna Komala ratu

[ 298 ]


    Teu catur diluhurna
    Kocap datangna geus burit

  1. Teu répéh Néng Ratnawulan
    Eukeur nangis sasambat ka Gentrasari
    Ari pokna aceuk tulung
    Kuring di nagri siluman
    Kitu pokna kadangu kunu ti luhur
    Ratna Komala ngandika
    Ka raina Gentrasari


  2. Rai éta Ratnawulan
    Deudeungekan naha matak watir teuing
    Coba sirep urang turun
    Ku buta keur dioconan
    Ratnawulan disirep kunu tiluhur
    Geus jempé nagri siluman
    Rajana teu mundur deui

XXXIX. Pupuh Durma


  1. Ngabubugil raja Yamani saréna
    Disirep ku Gentrasari

[ 299 ]


    Sakabéh baladna pada karék sasaréan
    Komala jeung Gentrasari
    Turun kahandap
    Asup ka tempat Yamani

  1. Natadewi nyandak Ratnawulan
    Ari putri Gentrasari
    Nyandak putra raja
    Nyi Mayang Erum dicandak
    Geus kaluar anu maling
    Ratna Komala
    Jeung raina Gentrasari


  2. Ngapung deui Gentra jeung Komala
    Kira wanci tengah peuting
    Pulang maling gancang
    Ka nagara Erum ngungkulan
    Geus nyedot kahandap deui
    Putri nu dua
    Geus asup baé ka bumi


  3. Ratu Erum teu kulem sabab ngantosan
    Rawuh patih para mantri

[ 300 ]


    Sumping dua garwa
    Sareng nyandak Ratnawulan
    Gentrasari nyandak putri
    Anakna raja
    Jeung anakna mah bet geulis

  1. Ratu Erum kagaét barina ngandika
    Dalah geuning sumping rai
    Eta Ratnawulan
    Tonggoy baé sasaréan
    Coba Nyai sina nyaring
    Nyi Ratnawulan
    Ana lilir deukeut nangis


  2. Jeung ngarontok ka ratu Erum rakana
    Nyai Mayang Erum lilir
    Kagaét lebet manahna
    Mencrong waé gawéna
    Mayang Erum teu ngalahir
    Ngan dina manah
    Saha anu mawa aing


  3. Naha ieu nagara naon ngarana

[ 301 ]


    Aya matak resep teuing
    Kitu pamikirna
    Mayang Erum héran manah
    Keur saré deui
    Kocap geus beurang
    Ratna Komala ngalahir

  1. (...) mah engkang ulah kajongjonan
    Geus tangtu Raja Yoman
    Nyusun ngarurugan
    Tangtu mawa balad buta
    Engkang kudu ati-ati
    Masing iyatna
    Sumangga candak cambeti


  2. Ratu Erum nyungkelang duhu nu iyatna
    Nimbalan ka dua patih
    Nyadiakeun balad
    Ponggawa rawuh gagamanana
    Ratu nu salawé nagri
    Jol nungtut datang
    Sarta mawa pejurit

[ 302 ]


  1. Kasigeugkeun di Erum enggeus iyatna
    Kocap sang Raja Yoman
    Geus buka sirpéna
    Hudang juringkal buringas
    Ngarérét geus euweuh putri
    Reujeung anakna
    (………)


  2. Jeneng jeleng raja meni nyarékan
    Ka buta sakur nu mekti
    Bari turun unggah
    Ti imahna ka buruan
    Sosoak lemék Batawi
    Raja siluman
    (………)


  3. Orang kemit nanti pukul sama gua
    Ti dayeuh yang mencari
    Bini sama gua
    Tidak ada dengan nikah
    Kapan dia orang kemit
    Lu tidak guna
    Barina meubeutkeun korsi

[ 303 ]


  1. Raja dangdan geus sadia mawa gada
    Sarta maréntah patih
    Ngumpulkeun baladna
    Buta sakabéh daratang
    Kapalana buta patih
    Rajana ngajerit
    Beng ngapung Raja Yoman


  2. Sabaladna pada ngambah awang-awang
    Patihna nya kitu deui
    Ngambah awang-awang
    Buta pirang-pirang laksa
    Gancangna Raja Yoman
    Ka Erum datang
    Barang datang nyampak baris


  3. Balad buta rék (....) kana gagaman
    Narajang pada ngabedil
    Anu keuna modar
    Buta reuwas geus ka handap
    Ngokosan sirah perjurit

[ 304 ]



    Gagaman modar diburu ku dua patih
    (……………)

  1. Buta ngégél ku patih ditampiling
    Buta loba anu mati
    Patihna siluman
    Ka patih Erum narajang
    Ngan tiap deukeut ki patih
    Geus kokosodan
    Saba patihna Yoman


  2. Leuwih panas ana deukeut ka manusa
    Patih dua Erum garing
    Para ratu riab
    Anu salawé nagari
    Ngayonan patih Yoman
    Ngan tiap datang
    Para ratu sami mati


  3. Balad Erum teu kuat ngalawan buta
    Geus carem loba nu mati
    Ampir kana béak
    Sawaréh tinggaal kalangan

[ 305 ]


    Putri Gentra ngalahir
    Jeung mangga engkang
    Abdi geus loba nu mati

  1. Sugan moal panas da engkang pan ngagem jimat
    Kapan engkang nganggo ali
    Pihatur garwana
    Ratu Erum rék narajang
    Patih siluman barani
    Muru ngarumpak
    Ku raja Erum dicameti


  2. Patih buta kokosodan tuluy modar
    Baladna raja Yoman
    Geus riab narajang
    Ku raja Rum dibabukan
    Ku jimat cameti rukmin
    Buta malodar
    Bangké patumpang tindih


  3. Balad Erum anu hirup susurakan
    Ti luhur raja Yoman
    Narajang ka handap

[ 306 ]


    Sarta bari ngagebah
    Ratu Erum mabur ku angin
    Ana rék tiba
    Disanggap ku Gentera sari

  1. Maju deui raja Erum sor narajang
    Geus deukeut raja Yoman
    Barang rék diamang
    Ku pecut ratu digebah
    Ratu Erum mabur deui
    Ana rék ragrag
    Gero dua ati-ati


  2. Ana ragrag ngénca Ratna Komala nu nyanggap
    Ngatuwu ku Gentera sari
    Ratu disanggapan
    Geus meunang tilu pajuan
    Raja Erum ngarangas sisig
    Ratu ngandika ayeuna kumaha nyai


  3. Sang Yoman coba lawan ku duaan
    Engké geus ngarangas sisig
    Lamun teu disanggapan

[ 307 ]


    Ku Nyai engkang téh tiwas
    Ayeuna lawanan Nyai
    Raja siluman
    Pada matur dua putri

  1. Ari pokna mangga baé majemg Engkang
    Da kapan mélaan rayi
    Nyai Ratna Wulan
    Naha rék tinggal kalangan
    Teu nyaah ka anu geulis
    Nyi Ratna Wulan
    Tuur anom teu aya tanding

L. PUPUH SINOM


  1. Ratu Rum mindo ngandika
    Lamun deukeut Si Yoman
    Kira-kira baé Engkang
    Ngamankeun ieu cambeti
    Meureun disuduk ku keris
    Ngan Engkang teu bisa maju
    Ayeuna ku nyai lawan
    Beunangkeun raja Yoman

[ 308 ]


    Pada matur Gentera Sari jeung kombala

  1. Engkang jadi kangeunahan
    Sagala miwarang istri
    Ratu sagédéngeun ngandika
    Ka rayina Gentera Sari
    Kajeun teu kersa mah Nyai
    Carék keukeuh geura mundur
    Tah Engkang sok susungkunan
    Garwa dua bari seuri
    Barina gé Engkang mah ku sok pundungan


  2. Tuh banyol baé rayi mah
    Leresna piraku abdi
    Mungpang ka kersa Engkang
    Kapan gusti lahir batin
    Istri mah teu aya deui
    Kapan ngan pameget éstu
    Moal mangéran nu lian
    Ngan Engkang anu dipusti
    Manah Engkang ulah waka susungkunan


  3. Ké Nyai rék nyeupah heula

[ 309 ]


    Sugan dipaparin lepit
    Da puguh bau babatang
    Sarebel rék utah geuning
    Jeung mana lepit téh Nyai
    Eujeung urang udud
    Mawa gé engké heulaan
    Meureun aya di pribumi
    Perang rusuh ditunda ngalemar heula

  1. Kitu ceuk Ratna Kombala
    Ari saur Gentera Sari
    Aceuk hayu urang lawan
    Itu si Raja Yoman
    Bisi ngaruksak nu leutik
    Enggalna pada maraju
    Gentera Sari jeung Kombala
    Geus tepung jeung Yoman
    Yoman suka bungah seuseurian


  2. Ngomong nénjo (...)
    Ari pokna sang Yoman
    Aduh rayina si kakang
    Hiyap masih emas ringgit

[ 310 ]


    Hiyap géndong pilih genti
    Duh dénok ka dieu punggu
    Laki nyai moal kuat
    Ngalawan perang ka kami
    Ayeuna mah Eulis bakal milik Engkang

  1. Ayeuna géndong ku Engkang
    Ngareuhak nyi Gentera Sari
    Sareng Ratna Kombala
    Putri dua nyaur bengis
    Euleuh-euleuh tu si jurig
    Nogtorogan nurus tunjung
    Rupa kawas bangbarongan
    Sihungna bijil ngarelik
    Euleuh aceuk awakna ogé sisitan


  2. Tapi rupana manusa
    Leungeun sukuna kawas anjing
    Kitu saur istri dua
    Buncelik raja Yoman
    Pok mgagebah jeung buncelik
    Istri dua wani ngepung
    Digebos wani ngalayang

[ 311 ]


    Angin tarik-tarik teuing
    Jeung bauna saleuheung kagebos kawah

  1. Narajang Ratna Kombala
    Ti lubur nya ger nampiling
    Raja Yoman malikan
    Ka Ratna Kombala deui
    Sodok moro Gentera Sari
    Nampiling deui ti pungkur
    Balad Erum ger nyurakan
    Nu geus paéh hirup deui
    Sabab ratu ngagem jimat kahuripan


  2. Nya éta Tirta Bulayat
    Balad kabéh hirup deui
    Ratu salawé nagara
    Patih mantri pada lilir
    Ngan balad raja Yoman
    Nu paéh patumpuk-tumpuk
    Anu hirup pada lumpat
    Pada gigis dicambeti
    Balad Erum nénjo putri dua perang

[ 312 ]


  1. Pada suka susurakan
    Ningali nu perang tanding
    Sang Raja Erum ninggalan
    Ger waé perang jeung
    Pada gigis dicambeti
    Balad Erum nénjo putri dua perang

    Pada suka susurakan
    Ningali nu perang tanding
    Sang Raja Erum ninggalan


  2. Ger waé perang jeung Yoman
    Ana digebos sang putri
    Kadis kapuk tuluy ngapung
    Narajang Ratna Kombala
    Malikan raja Yoman
    Jeung ngaronjang ka Dewi Ratna Kombala
    Raja Yoman digebag
    Jungkel Yoman tibalik
    Cengkat ngorénjat buringas


  3. Nata deui Gentera Sari
    Ka Yoman najong tarik

[ 313 ]


    Raja Yoman geus bingung
    Moro kahareup datang ka tukang
    Wantu istri dua sakti
    Geus kacekel sang putri Ratna Kombala
    Ngabungit datang ti tukang
    Yoman geus bulak-balik
    Kukurilingan sang buta

  1. Datang deui Gentera Sari
    Najongna raja Yoman
    Ngajadi (...) mabur
    Diudag ku istri dua
    (...) ngaleungit deui
    Jadi Mega Yoman di awang-awang
    Gentera Sari jeung Kombala
    Duanana jadi angin
    Méga ditarajong bareng
    Musuh méga geus leungit deui


  2. Yoman Sari nu sakti
    Geus kahandap jadi gunung
    Istri dua jadi landak
    Dikorowotan karihkil
    Leungit gubung

[ 314 ]


    Yoman Sari nu sakti
    Geus kahandap jadi gunung
    Istri dua jadi landak
    Dikorowotan karihkil
    Leungit gubung Yoman jadi barahang

  1. Seuneu gedé muntab-muntab
    Gentera Sari nyipta cai
    Seuneu anu muntab-muntab
    Dijebak ku cai banjir
    Seuneu pareum baé Yoman
    Sarta palid lesu ripuh
    Raa rumasa kasoran
    Culeluk raja Yoman
    Ari pokna atuh Eulis bapa pegat

PUPUH MAGATRU


  1. Nyimas Dewi Kombala imut sumaur
    Ka sang putri Gentera Sari
    Rayi hayu urang buru
    Itu si Yoman palid
    Gentera Sari pok ngawaler

[ 315 ]


  1. Mangga aceuk énggalna tuluy ngubur
    Pada nyekel sang Yoman
    Leungeunna kénca katuhu
    Digotong ku dua istri
    Lir anjing ngagusur bagong


  2. Taya polah raja Yoman digusur
    Geus ampun raja Yoman
    Huntu sagedé baliyung
    Seug éta sihung pabeulit
    Rupa kawas pisan barong


  3. Bari dikoér ku sampéanana sihung
    Kombala jeung Gentera Sari
    Nyoba Yoman sia ngapung
    Atawa rék nerus bumi
    Da moal weléh ngaboro


  4. Jeung ayeuna Yoman sia rék nyumput
    Atawa arék ngaleungit
    Rék kumaha baé atuh
    Rék nerus bumi geura jig

[ 316 ]


    Coba kami hayang nyaho

  1. Sang Yoman ku istri dua ngawnagsul
    Bapa geus nyaho ngaleungit
    Péndékna bapa téh taluk
    Saba bapa beunang jangji
    Baheula perjangji kolot


  2. Lamun perang énjing istri dua punjul
    Putra Sulaéman nabi
    Eta gustina karuhun
    Mawi bapa kawon jurit
    Eling ka papagon kolot


  3. Enya Eulis putra Sulaéman ratu
    Ratu sagala kumelit
    Kitu asak rama Enung
    Ayeuna bapa rék ngabdi
    Gentera Sari seug ngawalon


  4. Jeung raka Ratna Kombala sumaur
    Sukur mun kitu Yoman
    Nyaho diasal karuhun

[ 317 ]



    Moal digabrug ku kami
    Mun kitu rék dipikolot

  1. Ayeuna mah ngadeuheus ka raja Erum
    Teu lami kebat Yoman
    Diiring ku istri ayu
    Anu ngaping Gentera Sari
    Yoman teu dibarogot


  2. Barang témbong ka raja Erum
    Pada kagét nu ningali
    (...) rama urang Erum
    Rupana raja Yoman
    Gilaeun sakur nu nempo


  3. Sang Yoman cingogo payuneun ratu
    Raja Erum seug ngalahir
    Ka Ratna Kombala ratu
    Sarewuh ka Gentera Sari
    Ceuk Nyi geura parios


  4. Gentera Sari kombala saurna kitu
    Enggalna sadaya mulih

[ 318 ]



    Tina urut perang puguh
    Balad salawé nagri
    Cikcak siheng anu ngomong

  1. Enggeus budal pada ngaping raja Erum
    Tinggalkeun ratu nu mulih
    Kacatur nyi Mayang Erum
    Jeung Ratna Wulan di bumi
    Jeung ibu ratu Mariyam


  2. Ari saur ibu téh éta jeung ratu
    Nyai raka bisi sumping
    Eta nyai Mayang Erum
    Meunggeus nyai ulah nangis
    Masing ngagugu ka kolot


  3. Mayang Erum diwuruk jongjon sumegruk
    Anu matak jongjon nangis
    Pikirna Nyi Mayang Erum
    Melang ku rama Yoman
    Palangsiang bapa kojor

[ 319 ]


  1. Ratna Wulan ngupahan ku Mayang Erum
    Meunggeus Eulis ulah nangis
    Bisi kasondong ku ratu
    Anggur urang téh cacawis
    Dangdanggulana ngarantos

PUPUH DANGDANGGULA


  1. Ratna Wulan masing sngu kopi
    Pasang méja buat haturan raja
    Ari haturan nu séjén
    Ka garwa pangkat kumpul
    Pada masang sangu kopi
    Geus pada olah popolah
    Keur nyuguhan tatamu
    Ari buat kuricakna
    Geus sadia ti umbul ti parayayi
    Sapeupeuting ngarang hayam


  2. Mani gijrud lurah jeung patinggi
    Kasomahan mundut kaolahan
    Sakur nu kabagi pancén
    Eunggeus puguh urang kaum

[ 320 ]


    Maréntah ku tinggal distrik
    Sadayana pada ngaosan
    Dibeban ngajuk
    Somahna anu teu boga
    Dimistikeun ku lurah jeung patinggi
    Geus kumpulna di nagara

  1. Garwa raja geus putus cacawis
    Lajeng siram Eneng Ratna Wulan
    Saparantos siram eneng
    Ka jero bumi asup
    Dilisah nyerotan luis
    Jeung disalin panganggona
    Cahyana ngabur
    Keur geulis Nyi Ratna Wulan
    Beberesih lir pendah emas disangling
    Cahaya wulan purnama


  2. Sabab putri putra raja Mesir
    Car sumurup ku Néng Ratna Wulan
    Kitu gancaning carios
    Enggalna sang Ratu Erum
    Jebul sumping ka nagari

[ 321 ]


    Nu ngiring manglaksa-laksa
    Pinuh alun-alun
    Ratu salawé nagara
    Henteu kakantun ngiringkeun raja Yoman
    Geus asup ka padaleman

  1. Gentera Sari geus aya di bumi
    Teu kanyahoan jeung Ratna Kombala
    Ka ibu Ratu Marando
    Ratna Wulan mando tungkul
    Ku Ratna Kombala isin
    Raja Erum énggal lenggah
    Dina luhur bangku
    Ratu salawé nagri
    Ngadeuheus sarawuh raja Yoman
    Patih Erum duanana


  2. Enggeus pepek pangkat sami calik
    Puguh jaksa rangga rawuh
    Demang kanduruan jeung kalowon
    Radén panghulu teu kantun
    Pada marek kosib modin
    Ka ratu sami munjungan

[ 322 ]


    Duméh repek rusuh
    Ari parantos munjungan
    Sami caralik mando payuneun gusti
    Emban mangku pramasangan

  1. Jeung rabul nu pupundut deui
    Sangu kopi ti sakabéh pangkat
    Nu badé tuang ngabawis
    Lajeng tuang para ratu
    Ari istri pada istri
    Gentera sari jeung Kombala
    Sareng ibu ratu
    Mayang Erum Ratna Wulan
    Barang tuang ari sang raja Yoman
    Luak lieuk tatanggahan


  2. Jeung ngahuap sagala téh emih
    Puguh sangu lauk eujeung lalab
    Nyah dibaheuman baé
    Yoman taya embung
    Atah asak teu ditampik
    Naon nu deukeut didahar
    Ulung gé ditekuk
    Dihuapkeun ngan sakétap

[ 323 ]


    Marukanna panyuguhan éta ucing
    Jeung aya hayam ngaliwat

  1. Hayam jago cicing sisi bilik
    Ku Yoman dijéwang sapisan
    Di dinya diremus baé
    Jeung bulu-buluna diremus
    Pada kagét nu ningali
    Menggah anu teu paya mah
    Dabarna teu tulus
    Ningal Yoman nu dahar
    Bet sarebel kasauran anu apik
    Ratu Erum henteu uninga


  2. Palangsiang mun uninga dipegih
    Ngan hadean henteu kauninga
    Ngan nu ninggal bengong baé
    Sang raja Erum ngadawuh
    Ka garwana Gentera Sari
    Rawuh ka Ratna Kombala
    Dawuh Raja Erum
    Rayi nya kumaha nya manah
    Eta istri Mayang Erum jeung Yoman

[ 324 ]


    Anjeuuna geura pariksa

  1. Sabab éta mangkadé istri
    Raja pisan éta anu nyandak
    Lain karepna ku manéh
    Kitu dawuh raja Erum
    Ngawalonan Gentera Sari
    Sarawuh Ratna Kombala
    Éta Mayang Erum
    Mendak kamarah ku engkang
    Mangga tikah dan éta teu wudu geulis
    Geuning ari putrana mah


  2. Kitu hatur rayi Gentera Sari
    Raja Erum seug deui ngandika
    Jadi kitu eyeuna téh
    Rayi geusterang mah sukur
    Nyi Mas Gentera Sari
    Sareng Nyi Ratna Kombala
    Terangna téh kitu
    Anumawi engkang nanya
    Haying nyaho terangna maranah nyai

[ 325 ]


    Ayeuna geus terang pisan

  1. Tadina mah piker engkang nyai
    Mayang Erum éta sina mulang
    Engkang lain henteu cocog
    Ngan inggis nyai teu rujuk
    Engkang lamun kawin deui
    Kitu dawuhan sang raja
    Gentera Sari imut
    Ratna Kombala kamahan
    Dawuh raka pangkituna raja rumi
    Sieuneun ku Ratna Wulan


  2. Nata deui hatur bari seuri
    Ku kuring mah gambang papariksa
    Sareng Gentera Sari ogé
    Mawi nyai putri dibantun
    Disanggakeun ku sim kuring
    Sim kuring pan terang pisan
    Engkang geus kamaphum
    Leir seuseuneueun ku Ratna Wulan
    Geus kajudi ku sang putri putri Gentera Sari

[ 326 ]


    Erum jeung Ratna Kombala

  1. Ratna Wulan pihaturna manis
    Jisim abdi ngiring kersa engkang
    Sareng leresan aceuk kabéh
    Engkang nikah Mayang Erum
    Moal enya abdi pusing
    Geus taya panginten medang
    Malah sambung sukur
    Sang raja lajeng nimbalan
    Ku papatih pék ayeuna paman patih
    Geura dangdan urang pésta


  2. Nyalametkeun entas perang jurit
    Sakalian kawula rék nikah
    Geus terang ti bojo kabéh
    Paman patih urus-urus
    Motpng sapi eujeung munding
    Camudu olah popolah
    Kitu dawuh ratu
    Patih dua cedok nyembah
    Tuluy para ratu jeung Yoman
    Ngantian timbalan raja

[ 327 ]PUPUH KINANTI


  1. Enggalna sang raja Erum
    Jeung ratu salawé nagri
    Masamoan di Paseban
    Radén nyuhinan Yoman
    Ti lebet sadaya bubar
    Anu kantun para istri


  2. Geus caralik para ratu
    Raja Erum seug ngalahir
    Ayeuna téh urang nikah
    Ka anak raja Yoman
    Ka Mayang Erum ngaranna
    Panghulu nampa maskawin


  3. Geus putus nikah raja Rum
    Nyumdut Mariyam sakali
    Para ratu marunjungan
    Tuluy pésta dur-dor bedil
    Mayem jeung kalangtuka
    Gamelan sakabéh meni

[ 328 ]


  1. Ngaguruh di alun-alun
    Nu lalajo balawiri
    Pangkat-pangkat pada midang
    Sadaya di sinjang batik
    Patih Daud jajawaan
    Patih Masruk kitu deui


  2. Dibendo ku iket wungu
    Endalna sagedé gambir
    Lajeng patih Daud masang
    Panganggo patih Masruk deui
    Ngagobér calana komprang
    Bulak-balik dua patih


  3. Maréntah bari tutunjuk
    Ka umbul ka parayayi
    Nu meutakeun tatabeuhan
    Jeung nu ngurus omah deui
    Bisi aya kakurangan
    Boh bilih awon ka gusti


  4. Patih Masruk patih Daud

[ 329 ]


    Teu resep pisan berenti
    Teu eureun sotéh néangan
    Milih ronggéng anu geulis
    Dicirian ti beurangna
    Gondéngeun engké tipeuting

  1. Raja Yoman nya kitu
    Ti pangkéng dagal-digil
    Langak-longok ka paseban
    Ngilikan istri nu geulis
    Diarey-arey ku barudak
    Kolot mah gilaeun gigis


  2. Ari kanjeng ratu Erum
    Jeung ratu salawé nagri
    Eukeur pada sukan-sukan
    Sami calik dina korsi
    Sarta marayunan méja
    Sawaréh keur tuang kopi


  3. Aya anu maén kartu
    Nu sawaréh maén cekip
    Sawaréh nu maén bola

[ 330 ]


    Para ratu masing-masing
    Di Erum nu sukan-sukan
    Ti isuk nepi ka burit

  1. Geus siang ku damar lampu
    Raja Rum lunta tipeuting
    Kira-kira bada isa
    Dur nyeungeut mariyam deui
    Dur tariji keur tatabeuhan
    Nu lalajo heurin usik


  2. Di lebet nyi Mayang Erum
    Maridang jeung Gentera Sari
    Kombala jeung Ratna Wulan
    Pada nganggo sarung kali
    Sanggul nagngo sisir emas
    Ditarétés emas rukmin


  3. Ti lebet sang putri lungsur
    Ka pangkéng sami calik
    Nyi emban paheula-heula
    Pagelek-gelek nu ngiring
    Upacara gulang-gulang

[ 331 ]


    Anu nguping para istri

  1. Garwa pangkat-pangkat kumpul
    Pada calik kana korsi
    Lajeng pésta barang tuang
    Para ratu ningal putri
    Panggeulisna Ratna Wulan
    Ari sorot Gentera Sari


  2. Jeung ratu Kombala ratu
    Wantu istri dua sakti
    Dangah taya kaérana
    Kombala jeung Gentera Sari
    Malah ka ratu siluman
    Ngoconan ngucilekun ceuli


  3. Para ratu kabéh diuk
    Puguh istri pada ajrih
    Ku Gentera Sari Kombala
    Raja Erum seug ngalahir
    Ieu geus deukeut ka beurang

[ 332 ]


    Istri-istri geura mulih

  1. Kitu dawuh raja Erum
    Énggal bubar kabéh istri
    Nungtut balik tatabuhan
    Ronggéng nu payu mah masih
    Diigelan ku barudak
    Nu masak gé tilu duit


  2. Sapeuting nepi ka isuk
    Ngan meunang duit saringgit
    Nyi ronggéng gé pada mundutan
    Dina handapeun caringin
    Panayagan saré gempar
    Para ratu kabéh mulih


  3. Ka arimah raja Erum marunjung
    Ratu salawé nagri
    Ti pangkéng kabéh budal
    Ngan kantun raja Yoman
    Gentera Sari jeung Kombala
    Nu masih kénéh di nagri

[ 333 ]


  1. Raja Yoman rék wangsul
    Ka Raja Erum pék jangji
    Raja lamun nyaur bapa
    Nénjrag lemah dua kali
    Tangtu bapa ngadeuheusan
    Jeung titip éta si nyai


  2. Anak bapa Mayang Erum
    Ayeuna bapa rék balik
    Raja Erum seug ngandika
    Geus narima bapa kuring
    Arék mulih mah sumangga
    Énggalna raja Yoman


  3. Sami raja Erum turun
    Geus ka luar alak-ilik
    Biur ngapung ngawang-ngawang
    Ngambah ka ganda wiati
    Basa ganda tengah-tengah
    Wiati luhureun langit


  4. Raja Yoman geus tepung
    Luhureun satengah langit

[ 334 ]


    Henteu dicatur gilana
    Raja Rum caturkeun deui
    Geus tiiseun di nagara
    Waktuna geus burit deui

  1. Geus wengi seug raja Erum
    Kersana sa tunggal resmi
    Analoyang di padaleman
    Pangantén jeung Gentera Sari
    Ngalih ka Ratna Kombala
    Geus ti dinya ngalih deui


  2. Ka dén Ratna Wulan Ayu
    Ti dinya pék ngalih deui
    Ka Néng Erum anu anyar
    Raja Ruum teu pilih kasih
    Atawa sabulan séwang
    Ari putri Gentera Sari


  3. Jeung Ratna Kombala ratu
    Giliran sumping pribadi
    Sabab di pulo Sala tetegna
    Tetegna nu dua putri

[ 335 ]


    Kitu kandakanda ning carita
    Waktu harita rék mulih

  1. Gero dua pada matur
    Ari saur Gentera Sari
    Leuheung teundeut cocongoan
    Engkang ayeuna jeung kuring
    Meungpeung deukeut sosonoan
    Mangga engkang ébog deui


  2. Saur Gentera Sari kitu
    Ari saur Nata Dewi
    Cikur jangkung bahé lenjang
    Engkang mun palay jeung kuring
    Sumangga ébog heulaanan
    Kitu saur Nata Dewi


  3. Raja Rum mesmes ngadawuh
    Da engkang gé boga sindir
    Munding hideunnnng saba alas
    Nyai ngadak-ngadak mulih
    Daun tuhur di tangkalna
    Na teu ras ka engkang Nyai

[ 336 ]


  1. Kitu saur Ratu Erum
    Gentra Sari matur deui
    Ngabdi mah ngagobang ménak
    Kantenan sumelang kuring
    Ayeuna kuring amitan
    Ka Pulo Salaka Nagari


  2. Énggalna putri lalungsur
    Ka luar ti lebet bumi
    Gentera Sari jeung Kombala
    Raja Erum lungsur deui
    Sarawuh kabéh garwana
    Jeung raja sindiran deui


  3. Pileuleuyan sinduk kerung
    Masing mindeng pulang anting
    Aci tarumpang neuleuman
    Ulah lila mulih deui
    Lasun ringkuk ka jero darat
    Lamun lami engakang pusing


  4. Beulit cingir simpay curuk

[ 337 ]


  1. Poa Nyai eujeung lali
    Situ lembut lalab ranca
    Ulah langkung tina jangji
    Tarompét awi saruas
    Mamanahan selang-seling


  2. Istri dua enggeus ngapung
    Sadaya sami ningali
    Para emban tatanggahan
    Raja Rum geus asup deui
    Ngan garwana nu diluhur
    Anu kantun dua istri


  3. Ratna Wulan Mayang Erum
    Neuteup ningali nu mulih
    Mayang Erum sasauran
    Ngalem aceuk Gentera Sari
    Rawuh ka aceuk Kombala
    Kuring mah narinang teuing


  4. Enya sotéh éta maru
    Asa dulur pet ku hinis
    Tina kaanéhanana

[ 338 ]


    Éstuning beresih galih
    Keur gagah téh lega manah
    Keur geulis tambah sarakti

  1. Kitu saur Mayang Erum
    Ngalemna ka Gentera Sari
    Ari saur Ratna Wulan
    Rasa bener saur Eulis
    Tapi ku aceuk kacawad
    Ulah resep ngalem muji


  2. Sahadéna ogé maru
    Cacakan anak salaki
    Asih batan indung bapa
    Anak salaki maéhan
    Ulah rék samar aya piker



PUPUH ASMARANDANA


  1. Ayeuna mah hayu Nyai
    Ulah rék lami diluar

[ 339 ]


    Bisi cuaeun carogé
    Raja geus ka padaleman
    Engké ditu sasuran
    Énggalna sang putri asup
    Malebu ka padaleman

  1. Para emban geus ka bumi
    Upacara gulang
    Di lawang rahu laperes
    Teu acan ngadegkeun upas
    Keur dina mangsa harita
    Geus naléndra raja Erum
    Jenengan Sang Raja Yuta


  2. Mursada keur murangkalih
    Engké jeneng nya Raja Yuta
    Jenengan ramana baé
    Kitu gening carita
    Pangarangna Ratna Wulan
    Sareng Putri Mayang Erum
    Putrana raja siluman


  3. Nu ngaran Raja Yoman

[ 340 ]


    Ari Raja Rum harita
    Dina bangku seug nyangkéré
    Ngintip kasauran garwana
    Api-api kulem raja
    Pok sumaur Mayang Erum
    Ka néna putri Ratna Wulan

  1. Jeung engké pisaur deui
    Kuring wuruk piluangeun
    Da gening asa bener gé
    Ku kersa engkang kacawad
    Kawantes putra siluman
    Tacan nyaho tindak tanduk
    Nyaluntang kirang babasan


  2. Engké mah geulis binangkit
    Keur lenjang asak panalar
    Nu matak nyawad aceuk téh
    Ratna Wulan ngadelekan
    Ngalieus bari ngandika
    Éta manah Mayang Erum
    Henteu nurut omong urang

[ 341 ]


  1. Ulah resep ngalem muji
    Ngagungkeun ka anu lian
    Nya sing hadé awak manéh
    Ulah ngomong lalawora
    Matak réa anu ngéwa
    Geus puguh lamun ka maru
    Marukan téh hadé éta


  2. Puguh ka musuhan badis
    Bieu omongan manéhna
    Ngalem deui ka kami téh
    Pagar téh ahli panalar
    Geuning kitu cek manéhna
    Sami ngadelék téh giruk
    Omong manéh kaliwat


  3. Mun ngomong ka Gentera Sari
    Cara bieu nya pangucap
    Meureun manéh dijejewét
    Sabab gagabah omongan
    Mudu bener ucap lampah
    Mana montong ngalem batur
    Nya ngurus awak manéh

[ 342 ]


  1. Da geus takdirna yén jalmi
    Perwingina béda-béda
    Anu hade anu goréng
    Ibarat Ratna Kombala
    Geus bagiyanana gagah
    Jeung Gentera Sari pinunjul
    Moal beunang diturutan


  2. Sabab takdirna pribadi
    Ari ayeuna manéhna
    Sing hadé pikir jeung omong
    Ulah mihadé nu lian
    Nya ngurus awak sorangan
    Masing éling ka yang Agung
    Da manéh geus jadi islam


  3. Tanda nyaah kana diri
    Kudu daék jadi islam
    Tanda nyaah kana diri kudu daék sambahyang
    Sambahyang gé sing nyaho
    Nyaho pardu rupanana
    Bisi nambahan doraka

[ 343 ]


    Doraka téh salah laku


  1. Cilaka salah pangucap
    Sakitu lahir néng putri
    Mayang Erum teu ngajawab
    Rakana ngupingkeun baé
    Piwejang néng Ratna Wulan
    Ku rakana geus ka manah


  2. Sang putri mendek ningali
    Raja Erum seug ngandika
    Nya bener saur Nyai téh
    Mayang Erum pék wurukan
    Kana sagala urusan
    Enya sotéh éta maru
    Ka Enéng éta ngawula


  3. Sumawona ngaji ngabakti
    Geura ngaji tuturutan
    Tuluy kitab gedé
    Nyai masing tamat quran
    Masing datang ka hatamna

[ 344 ]


    Quran nu tilu puluh juz
    Pék araji masing tamat

  1. Supaya hatam ka tampi
    Ulah hatam teu katampa
    Mudu tampa raos baé
    Tumarima kaawonan
    Tampanan rahmatna Alloh
    Ulah tumarima suwung
    Tumaninah teu rumasa


  2. Sakabéh manusa doip
    Éta Nyai bisa hilap
    Lampah ibadah sing hade
    Da urang manusa hina
    Sanajan Ratna Kombala
    Gentera Sari panyakitu
    Sumawona engkang pisan


  3. Mana Nyai ari muji
    Ulah érék salah tékad
    Kanu ngadamel urang kabéh
    Lain bet muji sasama

[ 345 ]

Éta gé Nyi Ratna wulan
Ka Nyai nyaur sakitu
Sangkan gumati nya lampah


PUPUH KINANTI


  1. Ieu carios geus tutup
    Tuladanana geus abis
    Teu aya deui lajengna
    Aya gé tambahna dangding
    Sim kuring bari diajar
    Mendak tina lejar galih


  2. Cariosna gé dilajur
    Enggeus sa éling-éling
    Eukeur digawé gé nyelang
    Ngan kawih anu ka éling
    Paculeun eukeur dilanglang
    Bet weuteuh euweuh nu maling


  3. Ari geus kolot sok linglung
    Loba pisan nu ka éling

[ 346 ]


    Henteu rasa ku bakal hilang
    Ngan dunya anu dilingling
    Saban wengi mudu langlang
    Mulang sok enggeus dipaling

  1. Kapalang diajar lagu
    Geus henteu nyarios karugi
    Turta ngararaga minyak
    Taya kagableg sim kuring
    Nyiru gedé pamoéan
    Nu terang kuring musapir


  2. Kebo alas saba gunung
    Mendak-mendak aya patih
    Méong congkok saba goah
    Cing kuring atuh paparin
    Piring leutik wadah uyah
    Puguh isina mah kuring


  3. Leresna ka petok bengkung
    Mawi diajar ngagurit
    Dempet bilik dipakuan
    Rada kapépéd sim kuring

[ 347 ]


    Liwet ajur disendokan
    Lampah kieu sotéh kuring

  1. Melak lalab dina situ
    Sakalangkung jisim kuring
    Mubuy bedog cobék lalab
    Raripuh ari nu miskin
    Manuk tukung saba reuma
    Ieu gé uyuhan teuing


  2. Ranggap parat nyarung lauk
    Susuganan aya milik
    Tali kulitangket raga
    Kuring walurat téh teuing
    Surawung aya nu hilang
    Aya pasiha ka kuring


  3. Hayam tagun saba gunung
    Sakitu panghégar kalih
    Manuk beureum saba manjah
    Sapamundut enggeus yakti
    Lempah ajur digulaan
    Terangna buburuh kuring

[ 348 ]


  1. Lauk situ gepéng hulu
    Ngalelewa anu nulis
    Kawasna ngadeleg sawah
    Lain ogoan mah kuring
    Haréndong jadina dahan
    Teu boga adeuh nu nulis


  2. Ngarandu asak dipupu
    Ngapur omongan nu nulis
    Rampadan pérak rusa
    Asa dialem nu nulis
    Cau gunung ka reuma
    Lelewa reueus nu nulis


  3. Tanduk imah jangkar rasa
    Lampah nu nulis lekasan
    Cakung lembut saba ropet
    Rucat-rocét beunang nulis
    Pangapunten ka sadaya
    Ka sakur anu ngaruping

[ 349 ]


  1. Kanu anom kanu sepuh
    Rék ngerewih nu ngagurit
    Sumawonten ka nu maca
    Hatur salam sadayana
    Ka sadaya nu mayunan
    Reh kuring seja amitan


  2. Sinareng panutup saur
    Ka sadaya anu maca
    Sim kuring hatur uninga
    Baktos jisim kuring
    Di Ranca Bendem matuhna
    Nu katelah Hasan Basri


  3. Pamugi lulus rahayu
    Salamet anu digurit
    Sarawuh nu dicarita
    Sinareng nu nulis deui
    Ulah kasorang ku hama
    Ti lahir ka batin


  4. Pamugi balai jauh
    Pamugi ulah kapanggih
    Kasadaya neda hampura

[ 350 ]


    Rumaos bodo téh teuing
    Ananging ari paneda
    Dumugi parek rejeki
    Boh bilih aya lepatna
    Nyebat katara teu uni
    Wayahna baé hampura
    sareng anu salah deui
    aya kaliruna tulis

  1. Isina mah liwat langkung
    Ningal beubeunangan nulis
    Rocekl kawas tapak hayam
    Bener saé da geus bukti
    Nu nulis enggeus lekasan
    Dikumaha da geus kitu.

  2. Pangapunten jisim abdi
    Ka sadaya anu nguping
    Ayeuna ka tegal pandan
    Geura samaktakeun ngopi
    Cikur jangkung jahé lenjang
    Geus paralay geura mulih

[ 351 ]

Tamat