Dewarutji

Ti Wikipabukon

[ Cover ]








DEWA RUTJI

ANGGITAN M.A. SALMUN

BALAI PUSTAKA

[ Title ]

DEWARUTJI


ANGGITAN

M. A. SALMUN



TJITAKAN KA DUA


BALAI PUSTAKA
DJAKARTA
1953

[ ? ]

Gambar djilid kenging

BAHARUDIN






Rp 7.20






B. P. No. 1700
HAK NU NGARANG
DITANGTAJUNGAN KU
UNDANG-UNDANG

[ Pihatur ]

PIHATUR

Ieu buku rengsena dianggit dina mareumkeun taun 1941. Patali sareng rupi-rupi kaajaan němbe tiasa kaluar ajeuna, 1948.

Tiasa djadi aja nu njebatkeun: „Naha sanggeus ngalaman „ngagolak" tudjuh taun, bět masih keneh bae ngaluar-luarkeun tjarita wajang? Kawas euweuh deui bae pitjaritaeun."

Ka nu kagungan emutan kitu, kieu katěranganana.

Di antawis lalakon wajang, seueur anu hirup tumuluj, teu laas ku mangsa, teu pugur ku usum. Lalakon tea, nja eta: Mahabarata, Batara Rama, Ardjunawiwaha (Mintaraga), Dewarutji, Asmara-Dahana sarěng sawatawis deui.

Dupi margina anu mawi tiasa teras-tuměras njajang dina galeuh urang, ku margi widjina lalakon sapagodos sareng lělěmbutan Timur.

Tah ieu, patali sarěng widji tea anu mawi hojong ngaluarkeun teh.

Ti baheula mula Dewarutji teh parantos dianggap lalakon luhung, djěro teuleumaneunana.

Anu resep ngulik kaluhungan sarěng kabatinan, dina ieu buku tangtos bruh-breh měndakan pěsekeun. [ Pihatur ]Ku Ki Budjangga mung ditembongkeun bungkeuleukna bae, lir kalapa huluan. Padahal salěběting tapas aja batok, behditueun batok aja daging. Ingdalém daging aja pati sareng minjak. Anu tiasa měsek sarěng ngokolakeunana. insja Allah baris ngaraoskeun paedahna tjipati atanapi minjak tea.

Bahan-bahan kanggo nganggit ieu wawatjan: djabi ti sok nguping ti dalang sareng matja tina buku titilar sepuh nu diserat ku panangan ku aksara Sunda teh, dibanding ku „Dewarutji" jasana Dr. Prijohutomo sarěng „Bimasutji" wědalan Bali, njandak tina salinanana.

Mugi-mugi ieu buku aja paedahna.

M. A. S.
 
Djakarta, 11 Desember 1948. [ Pihatur ]

PIHATUR DINA TJITAKAN KA DUA

Dina tjitakan ka dua, ieu wawatjan anu kenging nganggit tina sawatawis babon teh di ditu di dieu diwuwuhan. Di pungkur disajagikeun daptar ngaran.

Sanadjan direka sareng dianggit, widjina mah tětěp, henteu dirobah.

Tjinděkna, upami di Djawa aja „Dewarutji", di Sumatra aja „Nawarutji", di Bali aja „Bimasutji", di Sunda simkurig njobi-njobi ngareka „Dewarutji-Sunda".

Ieu buku nja alit nja ipis. Maksadna ge da sanes bade ngadaměl wintjikan pangawěruh anu nja kanděl nja awis. Ieu mah sakadar aosan panglědjar anu disělapan pulunganeun.

M. A. S.
 
Bogor, 29 September 1952. [ 7 ]

Sinom

Sinom pamuka tjarita, katjaturkeun hidji nagri, gěmah ripah djěmbar hardja, pasir-wukir loh-djinawi, sugih wibawa mukti, mahmur subur pandjang-pundjung, murah sandang djeung pangan, senang pikir abdi leutik, geus kontjara mashur nagara Astina.

Sok katělah Gadjahwaja, těgěsna teh „dajeuh Asti", ngalap djěněngan Sang Radja, anu ngababakan nagri, djěněngan Prabu Asti, rundajan Sang Prabu Kuru, tědak Prabu Barata, nu mashur sakolong langit, turun-turun ka Sri Nata nu kontjara.

Djěněngan Sang Durjudana, sok katělah Kurupati, atanapi Sujudana, djeung osok katělah deui, Sang Kurunata adji, djeung Djakapitana mashur, salira Kangdjeng Radja, surup děděgan narpati, djangkung ageung sambada ngandung komara.

Matak adjrih pěrbawana, titisan andana warih, gěntrana agěm geueuman, nanging panganggona rintih, djatnika ajěm tartib, hěnteu garadag-gurudug, alon ana ngandika, kasauran [ 8 ]atra sidik, unggal kětjap gampil dihartoskeunana.

Katjarita hidji mangsa, Sri Nalendra Kurupati, magělaran di paseban, diparěk para bupati, sarěng ponggawa mantri, kěrsana bade barěmpug, djalaran Sang Srinata, lěbět kana sindir Kawi, kadya tjandra kalingan badjra irawan.

Tjandra teh těgěsna bulan, badjra irawan kawarti, hasrtosna pěpědut mega, djadi těgěsna Sang Adji, tjara bulan di langit, kepindingan ku pěpědut, hěnteu tembong sinarna, sasmita sungkawa galih, pětěng kalbu samagaha manahan.

Linggih di malige rětna, dideuheusan ku sang jogi, nja eta hidji pandita, dipisěpuh ku sanagri, panarosan Sang Adji, dipundjung diugungugung, Bagawan Kombajana, atawa Dorna maharsi, djeung sok nělah Sang Pandita Sokalima.

Di sakiwaeun pandita, rada beh pungkur saeutik, Sang Pěrěbu Baladewa, Ratu di Mandura nagri, laer-laer ge wargi, turug-turug sarěng Ratu, tunggal sami měrtua, sarehinq parameswari, raji těgěs geureuha Sang Baladewa. [ 9 ]Kadjabi ti Baladewa, aja mitra dalit Gusti, diangkěn saderek inja, malah diangkat bupati, gělaran Adipati, dileler nagara mahmur, kongas nagri Awangga, djěněngan eta bupati, geus kontjara mashur Adipati Karna.

Sapěrtos djeung Baladewa, tunggal měrtua djeung Gusti, djalaran geureuha Karna, raji těgěs prameswari, kotjap deui nu tjalik, gedengeun Karna beh pungkur, raji-lambut Sang Radja, parantos dileler nagri, sck katělah Tuměnggung Sindukalangan.

Djeung osok oge katělah, nja Aria Banakěling, djeung Kalana Djajadrata, gedengeun ieu nu tjalik, nja eta raji Gusti, Dursasana nu kamashur, gělarna teh Aria, di Tjindepura nagari, Bandjardjumut wasta dajeuh nagarana.

Nu tjalik pajuneun radja, Aria Patih Sakuni, pěrnah paman ti ibuna, pěngkěreun jeu nu tjalik, putra Sang Maha Rěsi, nami Aswatama mashur, ngarendeng tur satata, djeung raji parameswari, kakasihna Sang Pangeran Burisrawa.

Pěngkěreun anu tiluan, Kurawa saderek Gusti, salapan puluh salapan, namina hamo diwintjik, djalaran seueur teuing, djeung karaos [ 10 ]kirang pěrlu, kotjap nu magělaran, Sang Sujudana Narpati, lami pisan minděl bae teu ngandika.

Katawis nandang sungkawa, ewěd sugri nu lalinggih, kěsěl ngantosan dawuhan, lami-lami Maha Rěsi, njaur kalajan aris: „Nun Gusti agung běběndu, sěmbah laksa duduka, mugi hěnteu rěngat galih, reh pun paman tjumonggah wantun undjukan.

Wireh bentěn ti biasa, nu ngadeuheusan geus lami, ku Gusti teu dipariksa, lir nudju prihatos galih, dupi sadaja abdi, purwa di dieu ngariung, sědja ngěmban timbalan, samukawis dawuh Gusti, moal aja anu baris wantun mungpang."

Sang Radja alon ngandika: „Lěrěs pisan Paman Rěsi, kaula keur sědih pisan, bari seuseuitan ati, ari ras ka bihari, ingět ka djaman kapungkur, djaman pada djadjaka, kaula harita geuning, ngadu rosa silih gada reudjeung Bima.[1]

Kula harita teu tahan, ku Bima digěbug tarik, ngadjengdjehe rek tidjěngkang, disurakan ku [ 11 ]sanagri, bangèt wirang djeung isin, ku nu mojokan ngaguruh, ngahampas djeung mapanas, ana malěs teh sakali, heug ditakis mani ngambul gada kula.

Nu njurakan beuki rosa, ngagěro patariktarik, lir lain ka putra radja, estuning liwat timisti, kaula bati sědih asana saumur hirup, moal aja pohona, panas peurih moal leungit, lamun ingět hate bangět garetekna.

Arek idjen teu untupan, rek djail inggis katjiri, goreng těměn harkat radja, upama katotol děngki, tjing tjo bi paman rěsi, kumaha akalna atuh, hajang njirnakeun Bima, ku djalan nu rikip děmit, sina maot ambeh gěah pikir kula."

Njeuleukeuteuk Kombajana, njaurna takabur djeung dir, malar bingahna Sang Radja, saurna: „Lah Gusti gampil ulah dianggo runtik, ukur pěrkawis sakitu, dupi pangintěn paman, aja anu langkung „rumpil", boro ewěd sieun paman kapetolan.

Sadaja sami uninga, teu aja nu samar deui, jen Bima murid pun paman, anu ngesto tur gumati, ka guru tuhu taklid, sugri kasauran guru, [ 12 ]diturut sahinasna. hamo dipungpang ditampik, teu ngemutkeun kana lěrěs djeung lěpatna.

Eta mah kuma pun paman, ngalědjokeunana gampil, bade disina neangan, naon bae nu teu bukti, anu di kolong langit, taja djirimna ngawudjud, geus tangtos pisan Bima, moal mulang mun tjan manggih, wantu Bima sagala sok satuhuna."

Sujudana bingah manah, ngadangu piundjuk rěsi, kitu deui nu sanesna, mudji jen Dorna binangkit, pandita lēpus watjis, putus sakur pangawěruh, tara seepeun akal, těrbuka nu muskil-muskil, teu pěrtjumah dipisepuh ku sadaja.

Kinanti

Urang gěntos nu ditjatur, kotjapkeun sahidji nagri, katělah nagri Amarta, ratuna Sang Sěmiadji, atanapi Judistira, sarěng sok nělah Darmadji.

Sareng sok sěring disěbut, Darmaputra ratu adil, djeung nělah Darmakusumah, sarěng Kontea panglandi, Pandusunu Panduputra, kitu djěněngan Sang Adji. [ 13 ]Kamashur ratu linuhung, pinandita sadu budi, sabar adil palamarta, tara tjidra tara děngki, tara djail kaniaja, bohong běndu ge dipahing.

Lungguh timpuh alon ampuh, titih rintih jatna lirih, tara gětapan rendjagan, harita Prabu Darmadji, eukeur nudju ririungan, di paměngkang sami linggih.

Sarěng saderek ngariung, anu di gedengeun tjalik, ingkang raji nami Bima, satria gagah barani, djangkung agěng salirana, bědasna kaliwat saking.

Pantěs keur pamanggul pupuh, pasemon djiga nu běngis, aja rindat barangasan, padahal manahna běrsih, tara serong djeung karinah, tuhu djudjur běněr adil.

Tjadu ekol djeung salingkuh, estu bruk-brak teu aringgis, saniskara sahinasna, tara dipandang-dipinding, mun aja kaluluputan, wani ngaku tara mungkir.

Moal ěmbung nandang hukum, upama salahna sidik, sabalikna ka nu lian, ngahukum teu inggis-inggis, upama njata salahna, sanadjan anak pribadi. [ 14 ]Purah tukuh ka nu estu, pageuh ka anu sadjati, ngabelaan běběněran, nadjan kudu pěgat pati, teu mundur satundjang beas, asal ngalakukeun adil.

Tjarek udjaring pitjatur, upami ngadaměl misil, Bima teh ibarat pudak, nja eta djaksi nu sari, kěmbang gěde ngandung ganda, di luar di djěro seungit.

Těgěsna badan sakudjur, satanding reudjeung rohani, bědas djasad bědas sukma, daja badan daja pikir, komara luar djěrona, dipiserab lahir batin.

Aja nu beda ti batur, adat Bima nu maranti, nja eta mun sasauran. sok tara dianggit-anggit, utjapna kasar garihal, tapi lain dumeh djail.

Nadjan ka Dewa ka ratu, ka deungeun ka kulawargi, malah ka Kunti ibuna, utjapna tara dipilih, estu basa sawadjarna, tapi da manah mah běrsih.

Ku sadaja geus dima'lum, teu aja anu njungkělit, mun sasauran djeung Bima, apal ka bakatna tadi, kasar soteh lain ngewa, lain amběk lain idjid. [ 15 ]Djeung ku kersaning Jang Agung, Bima dipaparin leuwih, ti djalma anu biasa, ngagaduhan kuku matih, disebutna pantjanaka, lantjip batan tjongo kĕris.

Ngěluk tjara kuku maung, matih leuwih ti wěrědjit, teuas batan tjula badak, beureum lir wuwungan gětih, musuh nu wani ngajonan, didjotos mo měnjat deui.

Rangkepan wasta katjatur, Bratasena nu kahidji, radjeun disinggětkeun Sena, Bajuatmadja panglandi, Marutsuta Bajuninda, djeung Panduatmadja deui.

Djeung radjeun oge disěbut, Raden Arja Djudipati, sareng Ganda-Wastratmadja, Sumadilaga panglandi, sarta Kusumadilaga, sarěng aja hidji deui.

Pawanasuta kamashur, djeung Werkudara wawangi, Satria Munggul-Pawěnang, djabi eta seueur deui, mun disěbut sadajana, bisi matak pandjang teuing.

Aja deui nu katjatur, raji Bima nu sajakti, djěněnganana Ardjuna, satria lěnggik djalantir, [ 16 ]lutju lěndjang ngalangkojang, kasepna kawanti-wanti.

Hese njiar pantar kitu, pamudjian djalér-istri, sěsah njarioskeunana, nu kasep kaliwat saking, sugri istri anu ningal, samar kiat nandang brangti.

Nanging nadjan kasep pundjul, teu kumaki ieu aing, pengkuh mageuhan susila [2], teu sagawajah ka istri, komo dugi ka rutjah mah, pohara pisan dipahing.

Isin ku nu Maha Agung, sawangsulna mungguh istri, anu ningali Ardjuna, rea nu ngadjoli majit, panasaran mun „teu beunang", sieun paeh djadi siit.

Masrahkeun badan sakudjur, raga sinarěngan pati, mung nu kasep teu kerěman, hěntěu dapon bae istri, lamun sanes putra radja, atanapi putra rěsi.

Tur lagas taja nu gaduh, boh tunangan boh salaki, djeung sapuk ibu ramana, němbe kěrěsaeun ngawin, djadi sanes djalan rutjah, ieu mah sah tur běrěsih. [ 17 ]Duaan mung misah ibu, putra Pandu nu ti Madrim, duanana kěmbar masang, namina teh raka-raji, Nakula sarěng Sadewa, djeung Pinten Tangsen panglandi.

Dewi Kunti oge kumpul, biasa tjara sasarı, katjarios Wěrkudara, undjukan ka ibu Kunti, jen palaj něpangan Dorna, sarehing parantos lami.

Teu bakti-bakti ka guru, bok bilih djadi pamali, ku ibuna kawidian, nja kitu ku Sěmiadji, geus pamit Bima djung angkat, něpangan Sang Dorna Rěsi.

Dangdanggula

Bingah manah bangět raos galih, kawidian ku ibu ku raka, Bima teh harita keneh, ka luar ti kadatun, ladjěng teras angkat ngagidig, ngabudjěng Sokalima, padepokan wiku, katjatur bae dongkapna, nu kasondong mung wungkul bibi Kěrpini, garwa pandita Dorna.

Ti Kěrpini Bima kenging warti, jen Bagawan aja di Astina, prajogi dibudjěng bae, Bima ge ladjěng tuluj, ka Astina ngabudjěng gasik, kěbat [ 18 ]Djadi mun aja nu njěbut, magar Ardjuna tjilimit, rajungan djeung ,,kabitaan", tetela nu ngomong tadi, teu těrang nu saběněrna, kana lalakon sadjati.

Djabi ti kasepna pundjul, mandraguna pilih tanding, kongas santika digdjaja, leber wawanen tur sakti, pinundjul ing danalaga, mun tandang arang nu mahi.

Lungguh lutju ampuh timpuh, sarwa rintih tur nastiti, ajěm rineh teu rendjagan, pěrwatěk nu „hade eusi", luhur elmu djěmbar luang, kakasih Nu Maha Asih.

Djěněnganana katjatur, Ardjuna anu kahidji, djeung seueur rangkepanana ¹), di dieu hamo digurit, tingali bae di handap, ditataan hidji-hidji.

Eta narpatmadja tilu, těgěs saderek pituin, margi saibu-sarama, rama Pandu ibu Kunti, djabi eta nu tiluan, saderekna aja deui.


[ 19 ]nu ditjarita, ka karaton tjunduk, sarta kaběněran

pisan. Kangdjěng Radja nudju magělaran linggih, karěmpěl sadajana.

Wantu Bima kaetang maranti, larbus lěbět teu nganggo ngiběran, dumeh sasatna saderek, pěrnah misan ti Pandu [3], harita ge luměbět mandjing, bingah sugri nu ningal, Sujudana njaur: ,,Leuh haturan jaji Bima, kalěrěsan jaji teh ajeuna sumping, puguh nudju diupat.

Pandjangna mah ěngke paman Rěsi, nu ka jaji geus tangtos popojan, ari kakang mah ku sono, kumaha dupi ibu, naha damang djeung para wargi, henteu aja kakirang?" Bima pok ngawangsul: ,,Aja hibar djiad kakang, sabalikna kakang reudjeung para wargi, tjalageur sarerea?"

Sang Sri Nata Prabu Kurupati, di luar mah puguh teu katara, jen ka Bima neundeun hate, njaurna leuleuj lěmu, padahal mah lěběting galih, hěnteu kintěn tjuana, tjinděkna mah palsu, henteu pandjang ditjarita, anu silih bageakeun teu digurit, kotjap Pandita Dorna. [ 20 ]Ka tatamu alon njaur rintih: „Paman sukur katjida bungahna, ajeuna dipareng djongok, sababna mah nu estu, sakumaha lahiran Gusti, eukeur nudju diupat, ajeuna bět djěbul, ari hal ngupat tea mah, sanes mojok ngomongkeun nu lain-lain, tapi nu saěnjana.

Tjek paman teh ku hajang papanggih, djeung nu gagah Arja Bratasena, ari margina sajaktos, nudju aja kabutuh, paman těrang kalajan sidik, sanes bedja tjarita, jen di hidji gunung, nu nělah gunung Dorangga, aja tjai anu aneh liwat saking, ngaran tjai Pawitra.

Tjek itungan paman nu sajakti, anu baris pimanggiheunana, moal aja djalma sedjen, djaba ti putra Pandu, nami Bima nu gagah sakti, geus kěrsa Nu Kawasa, anu baris nimu, lantaran memang adjangna, geus dipasti Bima nu baris ngamilik, nginum tjai Pawitra.

Watěk tjai sampurnaning pati, mawat sutji ngalubarkeun dosa, djadi kakasih Jang Manon, djaja saumur hirup, anggang susah těbih balai, djadi kumargi eta, paman teh nunuhun, tjai tea mugi tjandak, ti Dorangga sarta dileueut sakali, dipambrih pěrbawana." [ 21 ]Bima njaur ka Sang Maha Rěsi: ,,Omong paman kula ngarti pisan, hate kula bangět atoh, aja pituduh guru, ajeuna ge kula rek indit, něda pangdjiad paman, djeung kabeh nu kumpul, hajang salamět di djalan, sarta tjai muga-muga sing kapanggih, rek diinum ku kula."

Wěrkudara nu běrěsih galih, estu taklid nganděl ka guruna, teu ngintěn jen dibobodo, dilědjokeun ditipu, rikip děmit diarah pati, margi mungguhing Bima, kana laku kitu, bangsa bohong palatjidra, dibaidkeun ngimpi ge diangir mandi, tjek wiwilanganana.

Pangintěnna batur ge geus pasti, běrsih manah sapěrtos andjeunna, harkat pandita mah komo, djadi ku margi kitu, taja geusan tjangtjaja pikir, malah bingah nu aja, ku pituduh guru, angkatna ge rurusuhan, dumeh palaj enggal ka Dorangga dugi, kenging tjai Pawitra.

Geus ka luar ti watěs nagari, mandjing alas Bima leuleuweungan, lampahna kadalon-dalon, lir sanes putra ratu, mipir lamping malipir gawir. mapaj bubulak lěga, turun unggah gunung, kahudjanan kapanasan, tuang leueut naon bae nu kapanggih, buah djeung buron alas. [ 22 ]Kasangsara teu pisan digalih, panggalihna etang~etang tapa, wajahna nadjan repot ge, dumeh tuhu ka guru, guru tea siněmbah wadjib, anu kědah dihormat, digugu ditiru, kitu ge nu saěnjana, lain guru nu dapon ngatik ngawirid, lain ngan purah ngadjar.

Kudu guru nu sipatna rěsi, pinandita ngageungkeun kamuljan, hade di luar di djěro, těgěsna sipat luhur, ka murid teh teu nganggap murid, tapi tjara ka anak, djeung dina ngawuruk, kudu dibarengan darma, boga rasa kadjurung ku gawe wadjib, ngeunteupkeun kapintěran.

Hate murid dipělakan binih, binih mulja djalaning utama, supaja murid teh mangke, ulah djadi teu puguh, djadi 'djalma nu tanpa hasil, kudu djadi gunawan, dina hirup kumbuh, mangpaat ka pada djalma, ngamadjukeun hardjaning bangsa djeung nagri, hěntěu djadi mamala.

Tjara eta Arja Djudipati, djadi djalma satria utama, ka guru panteg nja ngesto, tina bangět sumudjud, hěnteu nolih geus angkat těbih, ngabudjěng ka Dorangga, mung awahing rusuh, lali teu dipapaj heula, disidikkeun ka Dorna ěnggonna tjai, aja di lěbah mana. [ 23 ]Kantun ewěd salěběting galih, djeung teu těrang kumaha rupana, eta tjai Pawitra teh, naha bangsa tjinjusu, ngaburial ti taneuh bidjil, atawa tjikaratjak, sěla-sěla batu, nu majěng njaktjakkan tea, naha tjai njangkrung dina lěgok leutik, naha tjai talaga.

Ku handjakal tadi rusuh teuing, teu tataros sing atra tetela, ajeuna anu karaos, kantun ewěd tur bingung, ari mulih teu wěrat isin, disěbat humajua, nu ngupat geus tangtu, para Kurawa sadaja, tingkutjiwěs tingtaroel tingdjarěbi, njeungseurikeun di tukang.

Bratasena těngah leuweung rumpil, hěnteu těras kěbat lumampahna, sapěrkawis dumeh kagok, ku areuj reudjeung tjutjuk, kitu deui kakajon tjanir, anu měgatan djalan, rěmbět hese madju, padjeudjeut něpi ka nganjam, heug taneuhna bareueus tjalombrek tiis, djeung akar ngahalangan.

Tambah~tambah estu matak miris, ari aja sora sato galak, gadjahna pating darěngek, maung pating galaur, sarta bagong pating garuik, malah sok raradjeunan, aja meong tutul, ngagorobas [ 24 ]di nu bala, ngagěrěman matak kokoplokan birit, asa gabrug ti tukang.

Lamun lain Arja Djudipati, tangtu pugag moal těrus lunta, boa kalěngěr ngagoler, di leuweung luwang~liwung, taya batur estu nunggělis, hadena ninggang Bima, anu tjadu mundur, těras bae saba alas, lila-lila Bima teh teu burung něpi, ka těgal Andadawa.

Magatru

Sigěg Bima urang malikan kapungkur, Sang Sujudana Narpati, saparantos Bima kondur, pok ngadawuh ka Sang Rĕsi, gěntrana leuleuj tur alon:

„Paman Dorna tah ajeuna mah geus puguh, Bima teh daekeun indit, neangan tjai ka gunung, kumaha lamun seug manggih, tjai Pawitra nu sohor.

Atuh urang meureun katurug katutuh, djaba Bima balik deui, balikna teh djadi wěduk, mun ngamuk ngaburak~barik, meureun urang kabeh repot.” [ 25 ] Dorna njaur gumudjěng suka kalangkung : „Gusti ulah sěmang galih, ngamanahan pasal kitu, hěnteu kědah hamham deui, paman moal ngabobodo.

Ieu paman aki~aki dawuk~rawun, sageuj ngabohong ka Gusti, njidra ka nu djadi ratu, teu kědah tjangtjaja deui, Bima teh geus tangtos maot.

Sarta tjai Pawitra hamo katimu, margi bangsa nu teu bukti, aja ngaran tambuh wudjud, nguběk dunja moal manggih, sanadjan dugi ka maot.

Dupi Bima milarina teh geus tangtu, moal liren mun tjan manggih, pěrbawa watěkna tukuh, malah moal kěrsa mulih, tinangtos kadalon-dalon.

Bakat Bima ngestu kana saur guru, djeung tangtos ngaraos isin, saupami lengoh wangsul, ti batan mulang mubadir, tangtos anggur suka maot.

Sarta djabi ti eta bade miundjuk, Bima teh anu sajakti, sasatna narohkeun umur, margi di Dorangga-giri, tjarek saungěling wartos. [ 26 ]Aja dua bura aragěng kalangkung, tingdjungkiring tanding pasir, galakna langkung ti maung, bedasna kawanti~wanti, nadjan gunung ge digotong.

Lamun aja djalma ngulamprěng ka ditu, heug ku buta teh kapanggih, ulah rek ngaharěp hirup, geus pasti ngadjadi majit, sirahna tangtos dikokos.

Bima oge geus tangtos moal teu kitu, ka buta teh moal mahi, komo ieu mah dihurup, tangtos adjur busak~basik, dirěweg ku buta rěwog.”

Sujudana ngadangu pihatur wiku, bingahna kawanti-wanti, mesěm ngagělěnju imut, asa taja geusan miris, manahna teh bangět longsong.

Katjarios Sang Baladewa Pěrěbu, dina salěběting galih, ka Sang Radja hěnteu sapuk, mětakeun djail doroi, manahna sieun kaběndon.

Margi sasat ngiring kana laku palsu, djabi ti kitu teh deui, numutkeun kěrětěg kalbu, buruk~buruk papan djati, ka Bima bangět hawatos.

Dumeh wargi landěs tunggal sakaruhun, němbe misan tatjan těbih, putu Kuntibodja Prabu, upami didjudjut sidik, kieu djudjutan tjarios: [ 27 ]Kuntibodja putraan pamĕgĕt tilu, sarĕng hidji deui istri, Basudewa anu sĕpuh, ka Arjaprabu nja ngadi, djeung ka Ugrasena noron.

Tĕras ngadi ka Kunti istri nu bungsu, ari eta Dewi Kunti, ti heula ge geus ditjatur, ibu Bima nu sajakti, Basudewa katjarios.

Putrana teh Baladewa anu sĕpuh, Krĕsna anu kaping kalih, Subadra anu katilu, djadi Baladewa Adji, ka Bima misan sajaktos.

Nadjan hĕnteu sapuk ka lahiran ratu, Baladewa mindĕl galih, ewĕd bilih radja bĕndu, bati sĕdih, sĕsah bade pok njarios.

Saparantos ngadangu saur Sang Wiku, jen maksadna ngarah pati, Baladewa ladjeng njaur, nanging ku sindir malibir, bilih ngarendjag Sang Katong:

„Paman Dorna lĕrĕs pisan eta saur, jen Bima pasti lastari, moal balik hirup-hirup, ku panglĕdjokeun nu kĕtjing, di gunung Dorangga maot.

Ari kuring sanadjan Bima geus „lapur”, wĕleh tatjan tibra pikir, sabab Bima boga dulur. Ardjuna djeung Sĕmiadji, tur lain djalma bolostrong. [ 28 ]Keur lantip teh kawĕntar digdjaja pundjul, upama seug meunang warti, jen Bima ku polah wiku, ditipu diarah pati, moal teu njieun rĕrĕmpon.

Moal salah Ardjuna ngadjorag ngamuk, djaba Ardjuna pribadi, rea baturna nu biluk, naha urang bakal mahi, tjobi manahan sing paos.”

Putjung

Dorna ewuh atuh rada pungak-pinguk, teu bisa ngadjawab, malah katjiri ngadegdeg, keur tadi mah teu kaemut ka dinjana.

Adipati Karna ka pajun pok njaur: „Kakang Baladewa, eta emutan kakang teh, djiga sanes emutan pradjurit gagah.

Ongkoh kakang geus kamashur ratu pamuk, Nalendra Mandura, kongas jen dĕdĕngkot kahot, prangwadana senapati ing ngalaga.

Sasauran naha bĕt sapĕrtos nguntjung, gigis ku Ardjuna, naha Ardjuna teh aneh, mana kakang pohara teuing sieunna. [ 29 ]Bilih kakang ewuh nu ngajonan pupuh, kakang ěntong tandang, sawios ku raji bae, mangga tanggap nakĕr tanaga Ardjuna."

Dorna emprak ngadangu saur sakitu, barina ka tĕngah, Baladewa diwĕwĕleh, sarta mudji wawanen Dipati Karna.

Djajadrata djeung Dursasana pon kitu, katut Aswatama, hajang katembong wawanen, sadajana ngiringan tjotjog ka Karna.

Babakuna hajang kapudji ku ratu, ngarah dipiĕnja, malar bingahna Pupunden, narembongkeun barisna „kumawula”.

Geus biasa djalma nu laleutik putjus, sok hengker djiwana, pamadĕgan luak-leok, hĕnteu panggĕr boga tangtungan sorangan.

Kabisana ngabuntut milu ka batur, nu „tarik haokna”, tah eta anu didenge, salah~bĕnĕr eta mah teu djadi sual.

Tjondongna teh biasana ka nu nandjung, mana nu keur djaja, tah ka dinja bilukna teh, paribasa „karooh ku kuah beukah”. [ 30 ]Mun diparĕng deukeut ka „anu di luhur”, osok loba tingkah, sok reueus hajang katembong, jen manehna djĕlĕma boga kawasa.

Tampolana sok tuluj djadi angguklung, leuwih ti dunungan, ka nu handap noker nodjer, ka nu luhur lutak~letak djulat~djilat.

Kabisana djalma hengker~djiwa kitu, sok teu sabaraha, malah sakapeung mah kosong, djiga soteh ngeusi da kandĕl tjangkangna.

Tjara eta siga nu bela ka ratu, ngarudjukan Dorna, ukur mihapekeun maneh, ĕnjana mah sieun rungkad kalungguhan.

Sujudana ngadangu anu tjatjatur, mangmeunangkeun Karna, hĕnteu kintĕn bingahna teh, reugreug manah asa seueur anu bela.

Baladewa ka Pandita rada sĕru: „Ieuh paman Dorna, ulah waka ngawĕwĕleh, djeung teu kudu waka udjub mudji Karna.

Abong-abong biwir teh hĕnteu diwĕngku, letah teu tulangan, ngomong sadaekna bae, teu dipikir djiga naon malindĕsna. [ 31 ]Tjoba itung sabaraha kali unggul, ti putra Pandawa, nu ĕnja mah tukang eleh, paribasa kalah ka omong teh ĕnja.

Djaba kitu paman Rĕsi mangka emut, jen harkat pandita, lamun make linjok bohong, tangtu surud harkat kaluhunganana.

Komo ieu ditambahan djail hasud, djahat tur hianat, bĕlang bajah dĕngki goroh, njilakakeun djĕlĕma nu tanpa dosa.

Ari itu puguh pĕrtjaja da guru, djalma hade sangka, jen guru sipatna hade, tapi guru ngaruksak kapĕrtjajaan.

Murid taklid tuhu pĕrtjaja ka guru, lain dihadean, bĕt kalah dibawa serong, diparabkeun ka buta gunung Dorangga.

Ieuh paman sageuj mun paman teu maphum, da apan pandita, jen mungguhing djalma goreng, teu utama mun djail ka pada djalma.

Lampah urang awal ahir teh geus tangtu, aja wawalĕsna, mun goreng dibalĕs goreng, gawe mulja wawalĕsna oge mulja. [ 32 ]Lamun urang di dunja hĕnteu kahukum, tapi di aherat, tina siksa moal lesot, unggal dosa sadia siksaanana.

Djeung upama urang bebas tina hukum, dumeh eukeur djaja, boa anak~intju ĕngke, nu diparĕng kahukum ku dosa urang.

Naha paman teu wĕlas ka anak-intju, anu kagiliran, nampa hukuman Jang Manon, hakekatna sasat dihukum ku paman.

Lamun Bima kudu njorag putut umur, lantaran ku paman, didjailan dibobodo, awal ahir paman nampa wawalĕsna.

Moal boa maot dibobodo batur 1), minangka pamajar, hutang pati ngabobodo, ulah mungpang paman teh kudu narima".

Baladewa sirikna teu nundjuk-nundjuk, ka pandita Dorna, Rĕsi bangĕt lingsĕmna teh, kuram-kireum maksadna malikkeun kĕtjap.

Dasar wiku kamashur tjapetang saur, hĕnteu kapetolan, malikkeun teh gampil bae, malah bari istori ngan teu garihal.


[ 33 ]„Lĕrĕs pisan dawuh Sang Mandura Prabu, diemut saliwat, paman teh tetela goreng, djalma djahat hianat bohong basilat.

Njilakakeun Bima hĕnteu puguh~puguh, nanging tjobi manah, sing lantip kalajan sareh, ulah bari bĕndu sarta awon sangka.

Ari paman nadjan lĕrĕs harkat wiku, kitu ge badega, kumawula ka Sang Katong, raga njawa Sang Radja anu kagungan.

Badega teh kawadjibanana kudu, ngabĕbĕrah manah, ka dunungan njombo-njombo, kumawula tumut kana pangĕrsana.

Sakapalaj dunungan misti diturut, hĕnteu kenging mungpang, kĕdah bae lakon~gawe, dapon hasil kuma bae akalna mah.

Djaba eta urang ka nu djadi ratu, wadjibna bumela, sanadjan bakti njawa ge, pantĕs bae rajat bela ka radjana.

Mangka emut urang teh di mana dumuk, ongkoh di Astina, mangkaning eta Bima teh, sadajana tĕrang jen musuh Astina. [ 34 ]Sadudulur karĕpna mah rek ngarĕbut, ngadjabĕl Astina, naha urang tjitjing bae, bade ngantĕp nagara dilindih Bima?

Na iraha urang rek bela ka ratu, katut ka nagara, lamun lain ajeuna teh, anu mawi paman teh saakal-akal.

Sare'atna gawe kĕtjing laku palsu, nanging hakekatna, bela pati ka Sang Katong, djeung ka rajat kitu deui ka nagara."

Sujudana ngadangu piundjuk wiku, dugi ka ngalĕnggak, tina ku bawaning raos, bangĕt sapuk dumeh nempas Baladewa.

Asmarandana

Dursasana djeung Sakuni, Karna sarĕng Djajadrata, ka Dorna sadaja tjotjog, rĕmpag kana panempasna, ngahualkeun Mandura, nu katempas hĕnteu ewuh, njeh imut ngandung panjĕla.

Mesĕm dibarĕngan sindir, tawis kandĕl kajakinan, hĕnteu lendjong ku ditadjong, hĕnteu laas ku ditempas, malah mah tambah kĕras, [ 35 ]neuteup mĕntjrong ka Sang Wiku, bari sasauran tatag:

„Kasauran Maha Rĕsi, djiga pisan anu ĕnja, tuhu sudjud ka Sang Katong, djiga bela ka nagara, asa nu pangnjaahna, njaah aing hĕnteu batur, padahal ngan wungkul djilat.

Ngarah diasih ku gusti, hajang kapake ngawula, dibelaan linjok serong, ngadĕdĕtkeun anu lian, asal andjeun kamanah, teu paduli batur ripuh, dapon pribadi nu sĕnang.

Eta lain adat rĕsi, teu mantra-mantra pandita, djeung anu magar njaah teh, ka radja katut ka rajat, ari saĕnjana mah, ngan ukur ngagajuh musuh, njieun bibit huru-hara.

Nadjan leungit Bima hidji, da opat deui dulurna, djaba baraja nu sedjen, ti Pantjala ti Wirata, komo ti Meralaja, djaba eta masih mĕrul, nu bakal bela ka Bima.

Mun geus kitu paman Rĕsi, tjing tjobi bade kumaha, batan beres kalah rotjet, ngandar~ngait patjengkadan, pandjang panjerewedan, tur ieu teh anu puguh, pĕrbawa ilat nu djilat. [ 36 ]Kadjurung ku hate kětjing, teu wani patutunggalan, teu untupan tarung idjen, nu ketjing pek diangsonan, ku nu kurang djeudjeuhan, moal teu gudjrud pakutjrut, geura pek ĕngke buktina.

Jaji Kurupati Adji, lĕrĕs oge jaji radja, nanging masih keneh anom, kirang luang djeung pamĕndak, djadi ku margi eta, bongan kakang langkung sĕpuh, meudjeuhna nadjan miwĕdjang.

Tiatjadna hidji narpati, upama daek guguan, kana tjarios nu raos, dapon sĕnang kana manah, eta nu dipĕrtjaja, padahal saur nu „lutju” tara lĕrĕs sadajana.

Dapon raos kana galih, teu rĕmpag ge ngiring rĕmpag, awon ge disĕbat sae, atanapi sawangsuha, lĕrĕs disĕbat lĕpat, asal sĕnang bae ratu, teu digalih mamalana.

Jen piundjukna nu tadi, sasat ngabobodo radja, mipindingan anu jaktos, nu mistina kauninga, ieu mah disimbutan, dumeh sieun ratu bĕndu, djadi tjatjad ka salira. [ 37 ]Tjiri jen taja kawani, kětjing pikeun tanggung djawab, mambrih ngeungeunahna bae, hěnteu wani katěmpuhan, lĕbah nu teu ngeunahna, tah pihatur pantar kitu, sasatna ratjun nagara.

Nagri moal djadi rasmi, nagara teu matak kĕrta, mun rea pihatur bohong, djeung eta anu haturan, ari nu biasa mah, ukur pangarahan wungkul, dipambrih sĕnang dirina.

Biasana bari ngidjir, ngabelaan kapĕntingan, sadirieunana bae, atawa sapara kantja, kadjeun batur teu ngeunah, asal manehna nu untung, atawa tĕtĕp sĕnangna.

Sawangsulna aja deui, djalma poksang tjĕplak pahang, mun awon disĕbat awon, nu lĕpat balaka lĕpat, teu sieun dibĕnduan, njĕkĕl djĕdjĕr anu djudjur, utjap tjotjog djeung buktina.

Tampolana landĕp lantjip, sareukeut utjap~utjapna, nanging bari bruh-breh waleh, njĕmpad nu pantĕs ditjĕmpad, bari ngĕdalkeun hodjah, tah eta djĕlĕma kitu, patjuan dipikangewa. [ 38 ]Biasana mungguh batin, bĕrĕsih taja pangarah, djeung pangna sok balaka teh, dina hatena mah njaah, ka rajat djeung nagara, malah tuhuna ka ratu, sok leuwih batan nu djilat.

Ngan hĕnteu ebreh katjiri, da lain hajang katara, malah djiga nu bĕdĕgong, lamun didenge saliwat, djiga djalma bantahan, maduan ka nu di pajun, djiga mungpang papalingpang.

Padahal bawaning asih, hajang nembongkeun alpukah, ulah rek ditampi awon, karana mungguhing radja, pĕrlu kabina~bina, nampi piundjuk nu lurus, nu lĕrĕs bruk-brak balaka.

Sapĕrtos ayeuna jaji, tina pasal Werkudara, kakang bangĕt hĕnteu tjotjog, malah ari sajaktosna, ngemutkeun tunggal kadang, hate kakang hĕnteu kolu, mun Bima kenging tjilaka.

Buruk-buruk papan djati, djadi tina margi eta, kakang ajeuna pĕrmios, teu bade ngiring barĕmpag, tina hal kaawonan, kuriak ĕngke disĕbut, djalma tega ka baraja."

Sang Baladewa teu lami, mĕdal ti made mandala, nu ditilar sami bĕngong, hareugeueun [ 39 ]sadajana, taja nu sasauran, lir kasima ku nu bĕndu, sarta adjrih ku Sang Radja.

Ku Sujudana kagalih, kasauran ingkang raka, manah radja luak-leok, malah rada rerendjagan, wĕkasan pok ngandika, ngabubarkeun nu ngariung, diladjĕngkeun ge pĕrtjumah.

Pangkur

Sigeug pasamoan bubar, urang kotjap Maha Guru Pramesti, andjeunna teh nudju bĕndu, ka Baju sarĕng Indra, dupi anu ngadjadikeun marga bĕndu, kieu asal-usulna mah, teu pira pĕrkawis alit.

Batara Baju djeung Indra, hidji mangsa barĕmpag hal pĕrkawis, sasauran uplĕk husu, tina bawaning pana, teu ningali jen kasumpingan Sang Guru, disarĕngan Dewi Uma, tonggoj bae baradami.

Malah Baju sarĕng Indra, hĕnteu lungsur tina tĕmpatna linggih, atuh Sang Batara Guru, hĕnteu kintĕn bĕnduna, sarta ladjeng Batara Indra djeung Baju, diragragan ku supata, djadi buta salin djinis. [ 40 ]Sang Indra djadi Rukmuka, Baju oge sami djadi rasĕksi, Rukmakala gĕde djangkung, estuning matak gila, ngaringkiwik tanding barong njĕngklik sihung, gigis sakur anu ningal, para Dewa tingbaletjir.

Indra Baju totobatan, nanging keukeuh kĕrsaning Hyang Pramesti, dua Dewa teh kasiku, tur geus pasti lilana, dua wĕlas taun nandangan bĕbĕndu, ari lubarna supata, upama ĕngke papanggih.

Djeung Pandawa nu kadua, sarta kudu ngalaman pĕrang tanding, enggalna anu ditjatur, Rukmuka~Rukmakala, ti sawarga ka martjapada ditundung, duaan kalunta-lunta, teu puguh anu disungsi.

Andjog ka gunung Dorangga, nja di dinja dua buta teh ngantjik, milang bulan ngitung taun, geus nintjak dua wĕlas, hidji mangsa tarurun ti puntjak gunung, njorang tĕgal Andadawa, anu 1ĕga liwat saking.

Tjelak~tjelak nendjo djalma, djauh keneh atjan pati katjiri, ngan sidik ka dieu madju, bangun tjapeeun pisan, rundag~randĕg [ 41 ]leumpangna djiga geus ripuh, ari eta djalma tea, Bima keur milari tjai.

Ngĕmban timbalan Sang Dorna, katjarios geus tjakĕt ka rasĕksi, Bima kagetna kalangkung, ningali dua buta, sarta ladjĕng taki-taki bilih nubruk, nadjan bangĕt nahnaj palaj, moal bade mundur deui.

Rukmuka bĕngis ngomongna: „Eh manusa maneh teh kumawani, ngalanto ka ieu gunung, naon nu diteangan, saha ngaran djeung di mana lĕmbur matuh, maneh ku kami dihakan, geusan tamba peurih peudjit.”

Bima lali di kapalaj, timbul bĕndu dumugi ka ngagidir, madjĕng njakĕtan ka diu, njaur bari iatna: „Sia buta ngomong suaban takabur, naha aing teh ku sia, disangka jen moal wani?

Silaing teh saha ngaran, kitu deui eta batur silaing, ulah paeh teu pupuguh, teu kanjahoan ngaran.” Pok ngawalon Rukmuka barina madju : „Ngaran aing teh Rukmuka, ari ieu hidji deui.

Ngaranna teh Rukmakala, hajoh maneh djung geuwat balik deui, bisi ku kami ditĕkuk.” Bima [ 42 ]bĕngis walonna : „leuh buta ngaran Bima tjadu mundur, kadjeun aing balik ngaran, batan kudu lumpat djitjir.”

Rukmuka tuluj tatandang, idjigimbrang bangun gĕde kawani, ka Bima teh bangun nguntup, nja kitu Rukmakala, nanging Bima teu mundur satjongo rambut, sajagi bade ngalawan, geus tjaringtjing taki-taki.

Rukmuka djeung Rukmakala, duanana ngarontok bangun kĕsit, Bima njingtjĕt bari numbuk, Rukmuka blak tidjĕngkang, Rukmakala bluk njuuh mani tisusut, barang rek hudang disepak, bluk labuh tigugulitik.

Rukmuka gurindjal hudang, sarta gabrug ngarontok matak gigis, Bima geus katĕkuk punduk, nanging rikat tangginas, ku mastaka ngabadug djeung bari njiku, atuh buta blak nangkarak, ngagĕrung bawaning njĕri.

Gabrug nubruk Rukmakala, bari nangkeup djeung ngegel bahu kiri, barang Bima bade njuduk, ku kuku pantjanaka, bĕt Rukmuka nongtak ngadjeuwang ti pungkur, Bima geubis niban lĕmah, tanaga mah bade sisip. [ 43 ]Ana heug teh ditindihan, ku Rukmuka bari kakaut tarik, nondjokan sarta ngadjenggut, pon kitu Rukmakala, Bima ripuh reh ku duaan dihurup, ladjĕng ngĕmpĕlkeun tanaga, tĕras ngagurindjal malik.

Dua buta teh tipĕtjat, nu saurang mubuj ka djĕro keusik, saurang deui ngudupung, tibeubeut kana tjadas, ladjĕng Bima rikat ngarontok nu njusup, buta didjambak buukna, bari djeung rada dipuntir.

Bima rikat batan kilat, gĕdjos njuduk ku pantjanaka matih, teu luput lĕbah djadjantung, munggah njĕbrot gĕtihna, hĕnteu mindo sakali ge buta rubuh, ngagaur anu sakarat, munggah matak eundeur bumi.

Barang buta nu kadua, sidik nendjo baturna mandi gĕtih, ka Bima teh gabrug nubruk, nu ditubruk tangginas, ngagiwarkeun bari djeung njuduk ku kuku, lĕbah djadjantungna pisan, buta rubuh ngadjumpalik.

Harita keneh ge misan, Rukmakala djeung Rukmuka lastari, bangkena pating kudupung, Bima ngeureunan palaj, sarta ladjĕng tjalik heula [ 44 ]dina batu, bari neuteup bangke buta, aneh pisan bĕt lĕs leungit.

Hěnteu kanjahoan losna, Bima kaget barina larak~lirik, bisi bangke tuluj hirup, ngabongohan ti tukang, sabot kitu di lĕbah bangke ngudupung, bět aja Dewa nembongan, sidik hěnteu samar deui.

Sinom

Rukmuka djadi Sang Indra, ari anu hidji deui, Baju awit Rukmakala, duanana salin djinis, geus dugi kana djangdji, lubar supata Sang Guru, kotjap Batara Indra, ka Bima alon ngalahir, gĕntra leuleuj bari mesĕm bangĕt bingah:

„Eh Bima mangka waspada, ulah samar ulah pangling, ama teh Batara Indra, ari ieu hidji deui, bapa ¹) hidĕp sajakti, nu agung Batara Baju, ama bungah katjida, dumeh bisa salin djinis, tina buta balik deui sabaheula.

Ieu ama teh duaan, kasiku ku Sang Pramesti, asal Dewa djadi buta, djeung tjareking titis tulis, bisana pulih deui, nunggu dua welas tahun,


[ 45 ]malah nja hidĕp pisan, nu djadi lantaran pulih, ajeuna teh bukti jen hěnteu njalahan.”

Batara Baju ngandika : „He Bima hidĕp anaking, hidĕp mangka sing waspada, ama ajeuna wawarti, hidĕp teh njata sidik, eukeur nandangan ditipu, dipĕrdaja ku Dorna, dititah neangan tjai, tjek Dorna mah ngaranna tjai Pawitra.

Eta tjai saĕnjana, ku hidĕp moal kapanggih, ka tjape-tjape neangan, ajeuna mah mĕnding balik, undjukkeun ka Sang Rĕsi, jen tjai wĕlĕh teu timu, teu kudu diteangan, nadjan ngubĕk kolong langit, mĕnding djongdjon tjalik-tjalik di Amarta.”

Saparantos sasauran, dua Dewa lĕs ngaleungit, marulih ka Suralaja, Bima heran liwat saking, olohok bĕngong tjitjing, lami pisan hĕnteu usik hĕnteu malik, barang emut gĕrĕm-gĕrĕm soantĕnna.

Andjeunna njaur njalira, nawiskeun handeueul galih, rehing hese tjape gaplah, mubadir teu aja hasil, kĕrsana mulih deui, ti gunung Dorangga lungsur, ngabudjĕng ka Astina, angkatna [ 46 ]mani ngagidig, dumeh palaj enggal gok tĕpang djeung Dorna.

Urang sigĕgkeun tjarita, gĕntos deui nu digurit, kotjap Sang Radja Astina, Maha Prabu Kurupati, dina sahidji wantji, linggih di ponggawa mantri, keur barĕmpag pĕrkawis ponggawa mantri, keur barĕmpag pĕrkawis lalakon Bima.

Sarehing parantos lawas, hĕnteu aja bae mulih, taja wartos-wartos atjan, dupi saur Dorna Rĕsi, geus moal lĕpat deui, Bima teh pupus di gunung, disasaak ku buta, tangtos moal mulih deui, hĕnteu kĕdah paos~paos dimanahan.

Nempas Prabu Baladewa, njĕbutkeun jen teu mustahil, Bima mahieun ka buta, di gunung teu manggih pati, kalah buta nu sisip, teu mahi ka putra Pandu, malah teu pamohalan, mun Bima ajeuna sumping, mun seug sumping bade kumaha nja pĕta.

Tatjan tamat Baladewa, sawala ka Dorna Rĕsi, ana torodjol teh Bima, teu nganggo ngibĕran deui, bus lĕbĕt ka sitinggil, nu ningal sami ngarandjug, tina bawaning reuwas, taja [ 47 ]nu ngintĕn saeutik, jen Bima teh mulih teu sakara~kara.

Dorna ngabudjĕng ka Bima, pura-pura bingah galih, njĕmukeun nu sono pisan, Sujudana kitu deui, estuning teu katawis, jen handeueul sakalangkung, dumeh Bima waluja, djeung mun djailna katawis, moal boa Bima ngagĕmpur Kurawa.

Sang Wiku alon saurna: „Haturan bagea sumping, gara-gara pandjang juswa, keur diupat bĕt djol sumping, geus sono liwat saking, djeung bangĕt mĕlang kalangkung, bilih kumaha onam, sieun pinanggih balai, wireh mashur sangĕtna gunung Dorangga.

Nanging buktina ajeuna, bĕt iasa mulih deui, wiludjĕng taja kakirang, paman sukur liwat saking, kumaha pasal tjai, rupina mah djiga luput, teu tiasa katjandak, upami jaktos teu kenging, atuh matak handjakal kabina-bina.”

Werkudara ngawalonan, bari pasĕmonna sĕngit : „Eh paman Pandita Dorna, naha paman djail dĕngki, laku laip tur kĕtjing, ngadon ngalĕdjokeun wungkul, kula meh~mehan tiwas, rek [ 48 ]paeh ngadjadi majit, ku lantaran ngandĕl kana omong paman.

Panjana teh saĕnjana, tjape oge kula indit, neangan tjai Pawitra, horeng tjai tanpa bukti, kalah ka meh balai, saupama paman kitu, njata tega ka kula, paman ulah mangsar-mingsir, kula malĕs ulah sambat kaniaja.

Kula teh rarasaan mah, tjukup mupusti gumati, ka guru hormat tiliwat, ngestokeun lahir djeung batin, tapi mun paman djail, boga hate dĕngki hasud, rek ngarah ti poekna, panghormat kula ge leungit, dibeubeutkeun paman teh ajeuna pisan.”

Kĕrĕwĕk Dorna ditewak, didjungdjung bade dibanting, rikat luntjat Baladewa, kitu deui Kurupati, hawatos ka Sang Rĕsi, muntangan ka nu keur, bĕndu, malar leler napsuna, dilĕlĕmu saur manis, dielingan supados teu tĕtĕrasan.

Rada lĕlĕr oge Bima, hĕnteu ngagugudug teuing, dipĕpĕr ku Sujudana, djeung Baladewa Narpati, barina diwĕwĕling, jen mungguh murid ka guru, teu kenging tinggal hormat, utjap rengkak kĕdah pilih, dipantrangkeun nganiaja djeung nanganan. [ 49 ]Geus dilesotkeun Sang Dorna, ngadegdeg lir murangkalih, asa kabur pangatjian sadjongdjongan teu ngalahir, nanging bubuhan rĕsi, bantĕr tapa gĕntur elmu, djeung tjukup pangabaran, reuwasna teh hĕnteu lami, mung sakĕdap geus tĕgĕr deui manahna.

Ladjĕng ngalahir ka Bima : „Edas ku rarusuh teuing, bĕndu teh estu diumbar, ulah sok leungit pamilih, kaduhungna di ahir, apĕs nu ngalawan guru, sok tuluj leungit djaja, djeung matak djauh rĕdjĕki, saumurna ngan asor bae gawena.

Djaba eta kadongdora, wani teh ka aki-aki, nu hengker taja tanaga, teu bisa ngalawan deui, ropoh ripuh tur sisip, djeung dosana tatjan puguh, lĕrĕsna naros heula, naon anu djadi margi, anu mawi tjai tea teu kapĕndak.”

Putjung

Barang Bima ngadangu saur Sang Wiku, bĕnduna lĕs musna, malah ajeuna karaos, jen ngadolos hĕnteu sarĕng kira-kira.

Pok andjeunna undjukan ka Maha Wiku, njuhunkeun pĕrtobat, djalaran bangĕt rumaos, jen andjeunna boga pĕta kalĕpasan. [ 50 ]Nanging pĕta kitu teh sanes ka guru, margi ka guru mah, tĕtĕp ngahormat teu pĕtot, bĕndu soteh kana djail djeung dĕngkina.

Kabĕnĕran eta si Dĕngki si Hasud, parĕng dumunungna, di salira Dorna kolot, bongan atuh bĕt kĕrsa dianggo njajang.

Nadjan djasad ukur darma djadi kurung, tapi katĕmpuhan, bongan pake ngantjik Goreng, lamun Goreng dibasmi djasad nu lara.

Lamun hajang djamuga badan sakudjur, bebas ti hukuman, eusina ge kudu hade, djeung sing kuat nendjo batur meunang bagdja.

Ulah hasud lamun nendjo batur nandjung, deungeun meunang bagdja, urang pantĕs milu atoh, lain tuluj suudon ngarah ngarinah.

Seueur-seueur Bima saurna ka guru, djiga kasar sugal, padahal maksadna sae, Dorna ngĕluk da hatena mah rumasa.

Sarta ladjeng Pandita Dorna teh njaur : „Mugi teu kapalang, milari tjai aheng teh, kĕdah tĕras sing dumugi ka kapĕndak. [ 51 ]Kapungkur teh disanggěmkeun jen di gunung, sajaktosna lepat, kawantos paman geus kolot, sok limpeuran geus pikun rea pohona.

Ajeuna mah ku paman oge kaemut, jen tjai Pawitra, těmpatna anu sajaktos, tengah-tengah pisan Lawanasagara.

Tégěsna teh di ditu di puseur laut, sidik moal lepat, tjai teh pasti kasondong, rupina ge bentěn ti tjai sagara.

Hěnteu sami sareng tjilaut nu umum, malah djiga misah, gampil katawis da geseh, mangga tjandak pasti hasil moal gagal.

Mung saratna ngabudjěngna teh ka laut, ulah tumpak kapal, parahu rakit ge montong, kitu deui nangkeup barang anu ngambang.

Nu kenging teh mung ngodjaj djeung teuleum wungkul, tah eta saratna, supados pareng kalakon. hasil tulus ngamilik tjai Pawitra."

Gěrěm-gěrěm Bima ka Sang Wiku njaur: „Engke heula paman, ku kula tatjan kahartos, lamun ngodjaj naha kula bakal kuat. [ 52 ]Sabab meureun ka puseur laut teh djauh. mangkaning kaula, awak nja beurat nja gěde, naha bakal untupan ngalawan ombak."

Sang Bagawan njěmukeun trěsna kalangkung, pura-pura wělas, njěta anu dumaregdeg. sasauran niron anu dumareuda:

„Deudeuh hiděp Sena naha nanja kitu, andjeun teh ka paman, djiga nu tjangtjaja hate, lir nu sieun dilědjokeun dipěrdaja.

leu paman aki-aki tjětuk dawuk, tjarek sareatna, ngan kari ngadago maot, mambrih naon mun make djahat hianat.

Nitah soteh ngodjaj ka puseuring laut, bawaning pěrtjaja, kana ilapat totonde. jen andjeun teh bakal kuat ngalakonan.

Moal nitah mun těrang jen teu kauntup, ongkoh apan paman, guru andjeun nu sajaktos. moal ěnja ngomong bangsa pamohalan.

Ajeuna mah sae enggal bae atuh, ngabudjeng sagara, sidik moal naon-naon, pasti hasil djalaran njata milikna. [ 53 ]Saparantos ngadangu saur Sang Wiku. Bima tětěg manah, sareng dumeh tara serong, ka Dorna ge nganggapna teh salěmpěngna.

Estu taklid gěmblěng pěrtjantěn ka guru, nja ladjěng njanggěman, ka Dorna miwah nu sanes, těras pamit bade mulih ka Amarta.

Baladewa ngisarahan ka nu mundur, dupi maksadna mah, malar Bima hěnteu tjios, ngabudjeng ka puseur Lawanasagara.

Buruk-buruk papan djati sarěng dulur, nanging isarahna, ku Bima henteu kahartos, dikintěnna ukur panganděg ilahar.

Ukur ingguk nganuhunkeun ka Sang Prabu, kana pangangkěnna, bari tonggoj bae mios, maksadna teh něpangan ka para sěpah.

Memeh mulih njělang heula ka kadatun, marék ngadeuheusan, ka Sang Dasarata katong, pěrnah rama saderek Pandu nu sepah.

Taja sanes mung něda djiadna sěpuh, malar hasil maksad, enggalna nu ditjarios, ti Sang Katong ladjeng něpangan Widura. [ 54 ]Tunggal keneh kapirama raji Pandu, gělaran Aria, manahna běrěsih saleh, sarta asih rada ondjoj ka Pandawa.

Dumeh eta nu limaan putra Pandu, radjeun dipěrdaja, ku Kurawa anu linjok, mung saena sok kawagěl ku Widura.

Malah kantos Pandawa bade diduruk, saena Widura, rikip maparinna wartos. ¹) dumugi kawiludjěngna para putra.

Harita ge djeung Bima papajun-pajun, pandjang wěwěkasna, supados putra teu tjios, ka sagara milari tjai Pawitra.

Ditěrangkeun jen mung akal Dorna wungkul. malar Bima tiwas, nanging Bima keukeuh bae. henteu tumut piwědjang kapiramana.

Manah keukeuh gembleng pěrtjantěn ka guru, jen pasti běněrna, henteu tjangtjaja jen serong, teu galideur ku wěwěkasna Widura.

Nu ngawagěl ningali anu ngaběrung, teu kalaladjěngan, geus uninga ka panganggo, jen Bima teh gurat batu tara robah. [ 55 ]Ti Widura Bima teh ngabudjěng tuluj, ka Aria Bisma, kapiejang pěrnahna teh, anu kongas gělar Arja Dewabrata.

leu oge ka Bima pandjang miwuruk, ngawagěl maksadna, nanging wawadi Bisma teh, teu didangu keukeuh bae maksa angkat.

Kinanti

Ti pajuneun ejang mundur, sarta gura-giru mulih, rurusuhan ka Amarta, maksadna teh bade pamit, ka ibu sarěng ka raka, nja kitu ka para raji.

Di djalanna teu katjatur, kotjapkeun bae geus sumping, kasondong sami lalenggah, pangpajunna Dewi Kunti, rada pungkur Judistira, nu ngagedengkeun Drupadi.

Papajun-pajun djeung ibu, Ardjuna anu pinilih, katut Nakula Sadewa, sakěmbaran raka-raji, sami misaurkeun Bima, nu lami teu mulih-mulih.

Dewi Kunti laju alum, paroman prihatos galih, manah sumělang ka putra, nu angkat parantos [ 56 ]lami. teu aja wartos-wartosna, sieun pinanggih balai.

Paur bilih puput umur, lastari ngadjadi majit, nja hilang dipontrang heulang, di basisir anu werit, atawa di alas sangar, tur moal aja nu manggih.

Heug pupus teu puguh dumuk, di nu sinaweung-sinawing, hilang teu karuhan tempat. mangkaning djalma teh geuning, leutik ringkang gede bugang, ulah manggih pati la'ip.

Dewi Kunti anu bingung, ka para putra měrědih, supados milari Bima, mun těpang piwarang mulih, kědah papaj ka Astina, paluruh ka Dorna Rěsi.

Sok inggis sabot natamu, aja Kurawa nu djail, nganiaja ti bongohna, boh ku kasar boh ku děmit, da puguh geus pada těrang, jen pikir Kurawa djulig.

Bubuhan nu djadi ibu, manah Kunti benten deui. lir geus aja těrus rasa, jen Bima kenging balai, ku doroi anu lian, nu ngahadja ngarah pati. [ 57 ]Bentěn seredetna kalbu, suměblak teu kendat eling, sakapeung ngědjut ngarendjag, pikir gimir miris mingsir, wantuning ibu ka putra, pageuh tjanggreud tali batin.

Nadjan kahalangan gunung, kaalingan ku djaladri, mungguh ibu mah ka putra. taja anggang taja těbih, tjakět bae dina manah, hamo těbih ti panggalih.

Anehna nu djadi ibu, nadjan putra sanes hidji, kanjaahna tara kirang, walatra teu widji-widji, djeung lamun ti antarana, saurang kenging papait.

Manah ibu těras ngangluh, ngiring sedih ngiring peurih, teu kapunah ku nu rea, nanging sawangsulna deui, lamun putra měndak bagdja. lir asa ibu pribadi.

Djalma nu indungna luhung, estu bagdja tanpa tanding, beunghar batan boga ěmas, mulja batan radja dolim, sasat boga gunung Běrkah, nu ngadjaring beurang-peuting.

Sabot nudju guněm tjatur, bět torodjol Bima sumping, atuh sadajana bingah. Kutnji mah [ 58 ]dugi ka nangis, sarta Bima dirangkulan, bangun trěsna liwat saking.

Sosonoan teu ditjatur, kotjapkeun Bima geus tjalik, sarta gěmět sasauran, njarioskeun lampah tadi, njaba ka gunung Dorangga, milari tjai nu matih.

Dewi Kunti renghap randjug, ngadangu putra wawarti, sakapeung ngusapan dada, bawaning ngangrěs tur kětir, rěngat manahna ku Dorna, nu sidik tekadna djail.

Ka Widura njěbat nuhun, ka Bisma nja kitu deui, nu kěrsa ngawědjang putra, malah kapalajna Kunti, Bima teh ulah rek angkat, tětěp bae tjalik-tjalik.

Ingkang ibu alon njaur: „Meugeus hiděp ěntong indit, ulah ngagugu ka Dorna, tetela manehna djail, pamrihna hiděp pěrlaja, dasar rěsi goreng eusi.

Kudu nurut ka piwuruk, ejang Bisma oge geuning, nja kitu paman Widura, seep-seep nja wawadi, patjuan hiděp rek baha, ka para sěpuh nu asih. [ 59 ]Sabab geus tangtu kasiku, lantaran njorang pamali, djeung ibu teh beda rasa, seredetna sedjen deui, kawas hiděp bakal tiwas. saupama maksa indit.

Puput umur tengah laut, lastari tengah djaladri. boga lampah pamohalan, kawilang barang mustahil, kuat ka puseur sagara, tonggoj ngodjaj beurang peuting."

Harěgěm Bima ngawangsul: „Ku ibu muga dipikir, naon pirupaeunana, lamun kuring tjidra djangdji, udar lisan luntjat mulung, geus njanggupan heug teu indit.

Kuring geus djangdji ka guru, saksina para narpati, jen sanggup ngambah sagara, sarta hasil meunang tjai, lamun seug ajeuna gagal, wirang těměn diri kuring.

Tangtu kasurak ku batur, jen Bima teh ulad-alid, lontjer teu pageuh omongna, boga juni putjuk awi, hirup ge kuring pěrtjumah, taja nu pěrtjaja deui.

Djeung pěrkara pondok umur, kuring henteu leutik ati, upama memang adjalna, maot [ 60 ]ditěngah djaladri, manusa mo bisa mungpang, misti bae kudu djadi.

Sanadjan njumput di gunung, disarigsig pagěr beusi, dikěmitan ku nu djaga, ari djangdjina geus něpi, sok aja bae sababna, geusan maot tengah tjai.

Lamun geus kersa Jang Agung, mahluk moal bisa nampik, sabab anu gaduh njawa, taja lian anging Gusti, urang darma katitipan, dipundutna teh geus pasti.

Duka sore duka isuk, pati mo terang di wantji, adjal teu těrang di mangsa, boh di darat boh di tjai, mungguh pasal maotna mah, taja bedana saeutik."

Judistira anu luhung, ka Bima alon ngalahir: „Lěrěs pisan Wěrkudara, pasal pasanggěman jaji, jen urang teu sae tjidra, kědah tukuh kana djangdji.

Nanging jaji kědah emut, nu kumaha ari djangdji, ari emutan kakang mah, pasanggěman jaji tadi, ka paman Pandita Dorna, henteu sah disebat „djangdji”. [ 61 ]Nilik kana tekad itu, anu mědal tina djulig. aja karěp nganiaja, saksina djalma utami, nja eta paman Widura, djeung ejang Bisma nu watjis.

Kakang Baladewa Prabu, magar nganděg saur jaji, eta teh sajaktosna mah, maparin isarah rikip, malar jaji ulah angkat, ngadon njampeurkeun balai.

Djeung pangna jaji kapungkur, njanggěman ka Maha Rěsi, djalaran jaji harita, taja pangintěn saeutik, kana djuligna Pandita, jaji mah manah teh běrsih.

Jaji sing emut ka ibu, nandangan prihatos galih, lamun ku jaji ditilar, djeung deui pěrkawis pati, papada jaji pěrlaja, lajonna sing katingali.

Dipulasara ku ibu, ku saderek sarěng wargi, ulah hilang teu karuhan, tambuh enggon tanpa warti, tjinděkna mah paeh nista, tah eta kědah didjagi."

Bima ka raka ngawangsul: „Pilahir kakang Darmadji, ku kuring kaharti pisan, wawadi tanda jen asih. ngan kuring teu wěrat nampa, rek tětěp mageuhan djangdji. [ 62 ]Hanas eta Maha Wiku, aja manah djail děngki, tjek kuring mah henteu njata, urang hěnteu sidik jakin, ukur těrka djeung pangira, jen rek ngalědjokeun kuring.

Tapi nadjan běněr kitu, kuring teu inggis teu gimir, mun geus něpika pastina, paeh ku karinah děngki, eta mah moal kumaha, mana kitu ge geus takdir.

Ngan upama seug teu tulus, Kurawa teh tada teuing, mojok sarta ngahinana, njarěbut kětjing ka kuring, nja tjidra nja hajam lamba. djělěma adjrihing pati.

Da urang teh enggeus tangtu, teu kalis ku njěbut „djail”, kudu sidik djeung buktina, jen paman Dorna teh dengki, ulah satuding-tudingna, bisi malinděs ka diri.

Djeung lamun ěnja teh kitu, andjeunna sugěma pikir, ka kuring rek njabut njawa, ku djalan djulig tur děngki, tah eta hina nistana. nja di andjeunna pribadi.

Djeung pěrkara puput umur, ari tjek ingětan kuring, nangtukeun hina muljana, lain ku [ 63 ]godjodna majit, eta mah wungkul lahirna, batin mah da beda deui.

Upamana hidji ratu, nu djulig murka tur dolim, heug pupus di kadjuaran, di karaton lěbět puri. diliung ku para warga, katut gěgěden nagari.

Tjek kuring mah eta ratu, atjan puguh mati sutji, sukmana mah palangsiang, djol blus ka naraka mandjing, gěde dosa urut murka, sukma, kotor sesa dolim.

Sabalikna ti nu kitu, aja hidji tjatjah miskin, tapi bageur hade lampah, to'at ngabakti ka Gusti. ati putih badan bodas, tjinděkna sukmana sutji.

Mun seug eta djalma kitu, maot titeuleum di tjai, ku djuligna anu lian, asana teh abong deui, lamun kudu paeh-nista, tjara tadi radja dolim?

Sabab mungguh Maha Agung, ngukurna mulja djeung laip, henteu ditingal pangkatna, teu nilik beunghar djeung miskin, tapi amal ibadahna, mana nu saleh nu djail

Anu takwa ka Jang Agung, hade lampah hade ati. hade ka papada umat, tah eta anu [ 64 ]diasih, djeung hukumna anu hilang, di mana-mana ge sami.

Di leuweung di těngah laut, di gunung di těgal keusik, di gědong di pangpěrangan, mun iman mantěp ka Gusti, eling ka Maha Kawasa. teu kaitung paeh laip.

Bedana ngan ukur kudjur, tjangkang nu geus leungit eusi, nu hilang di pasampangan, teu dipulasara rasmi, teu tjara hilang di imah, diurus diapik-apik.

Tapi mun gilig gumulung, ihlas tjlak herang tjlik putih, geus teu milih těmpat hilang, teu owěl ku djisim laip, ngabelaan tekad mulja, hilang di mana ge sami."

Sinom

Katempas saur ku Bima, Judistira sarěng Kunti, hěnteu iasa ngadjawab, sadjongdjongan sami djěmpling, nanging teu kantos lami, Ardjuna madjěng ka pajun, alon tartib dat njěmbah. sagala sing sarwa rintih. sirna rineh djatnika pinuh wiwaha :

„Kulanun pilěnggah kakang, ieu kuring anu laip, hapuntěn bade undjukan, sasatna njiduh [ 65 ]ka langit, sarehing kumawani, miwuruk saderek sěpuh, tina bawaning trěsna, sapapait-samamanis, asa dosa upami hěnteu haturan.

Kasauran kakang Bima, sidik lantip tur binangkit, utjap biněkas pěrtjeka, mung bae kakang teh tali, kana hidji pěrkawis, wadjibna anak ka indung, kědah tumut saurna, sabab mun indung wawadi, biasana sok pěrbawa těrus rasa.

Jen anakna rek tjilaka, djeung kětjap indung teh matih, mun dirěmpak sok katulah, matak teu djamuga diri, kakang ge kitu deui, mugi sing tumut ka ibu, komo lamun dimanah, jen nu sanes rea deui, nu ngawagěl kana pamaksadan kakang.

Ngawitan paman Widura, ladjěng ejang Bisma Rěsi, djabi kakang Baladewa, sinarěng kakang Darmadji, nja kitu deui kuring, malah ieu nu di pungkur, Nakula djeung Sadewa, sanadjan ěmbok Drupadi, moal rěmpag lamun kakang keukeuh angkat.

Tah eta teh sadajana, kenging oge djadi tawis, jen maksad kakang teh lěpat, djeung upami palaj bukti, itikad Kurupati sing emut [ 66 ]bae kapungkur, ka djaman Purotjana ¹), urang meh-meh djadi majit, mun teu aja pitandang paman Widura.

Dupi bukti kaduana, njampak di kakang pribadi, djaman di gunung Dorangga, tarung djeung dua rasěksi, magar milari tjai, bukti dilědjokeun wungkul, ana heug katanjaan, eta paman Dorna Rěsi, ladjeng ekol magar teh kalirt njebat.

Memang bakatna Kurawa, ka urang teh ti aalit, mung djulig děngki hianat, ari pětana ku rikip, kitu pihatur kuring, mugi sing paos diemut, dupi pasal pupus mah, teu pandjang pisanggěm kuring, memang lěrěs sakumaha saur kakang.

Kitu ge aja nangingna, sanes tina pasal majit, atanapi pasal sukma, eta mah tjotjog djeung kuring, ieu mah bentěn deui, nja eta anu dikantun, ibu djeung para kadang, matak panasaran galih, lamun kakang pupus teu puguh těmpatna.

Malah ibu palangsiang, ku bawaning sědih galih, boa tēras henteu damang, malah kapaur


[ 67 ]teh leuwih, tina teu damang tadi, seug dipundut ku Jang Agung, eta teh batinna mah, nja kakang nu djadi margi, mun geus kitu barubah teh sanagara.

Talunganan madjěng pěrang, němpuh musuh mapag djurit, ibu ge taja wagělan, kitu deui para wargi, nanging lamun lastari, pupus ku ditipu batur, bentěn deui raosna, matak panasaran pikir, moal sadrah hate teh teu kendat ngentab."

Bima minděl lami pisan, reh kapeupeuh ku kang raji, rumaos kawon bitjara, manah tuluj rada sabil, aja tumut ka raji, aja tumut ka Sang Wiku, teu lami sasauran, tur bangun geus buleud gilig : „Ah kapalang geus njěbut sanggup ka Dorna.

Kuma engke balukarna, teu ngaborongkeun Jang Widi, andjeunna anu kawasa, kuring ajeuna rek indit, panuhun taja deui, mung pangdu'a nu kasuhun, malar salamět awak, masing bisa balik deui, sarta hasil meunangkeun tjai Pawitra."

Bima lungsur ti paměngkang, djolag-djolag angkat gasik, sakedap geus teu katingal, olohok [ 68 ]nu sami linggih, kaget lěběting galih, taja nu ngintěn rek kitu, Kunti lěs kapidara, Drupadi munggah ngadjěrit, atuh gujur eusi puri sadajana.

Nakula sarěng Sadewa, sami rikat mangkon Kunti, ditjandak ka kadjuaran, diebogkeun dina katil, enggalna nu digurit, dumeh pada ngagugulung, Dewi Kunti teh damang, rosa nangis bangět sedih, nu disambat taja deui djabi Bima.

Unggal dintěn dilělědjar, siang wěngi pada ngaping, diběběrah dibibingah, rada oge damang deui, malah ladjěng samadi, mantěng muntang ka Nu Agung, malar wiludjĕng putra, ditěbihkeun ti balai, enggal mulih tur hěnteu aja kakirang.

Sigěg anu di Amarta, Bima urang tjatur deui, geus kaluar ti nagara, ngambah leuweung rembět rumpil, matak sieun djeung kětir, panonoban badak maung, gadjah djeung nu lianna, sato galak oraj matih, matak pugag anu kurang wawanen mah.

Kawas keuna pangabaran, eta sato leuweung tadi, anu kapanggih ku Bima, taja anu njisikudi, malah lir sieun adjrih, maung tunduk datang [ 69 ]tjumbu, badak gadjah darěpa, adjag lir ngarendjag pikir, oraj numpi taja nu ganggu ka Bima.

Tonggoj djongdjon lampah Bima, sindangna mung ari wěngi, minangka ngeureunan palaj, kulěm dina luhur kai, lumaku milang sasih, djědjěg njuktjruk gunung tudjuh, kadalapan disorang, tuang leueut teu ditolih, kasangsara sadrah minangka tatapa.

Etang-etang ngisat raga, bari muntang ka Jang Widi, mantěng ka anu ngajuga, něněda waluja diri, tur maksad enggal hasil, manah teu kěndat měněkung, enggal nu ditjarita, lampahna Bima geus dugi, ka basisir sisi Lawanasagara.

Basisir bangět waasna, titingalan matak rěsmi, ningal lambak silih udag, njeblokan kana kikisik, sorana lir nu tjeurik, ngawagěl ka putra Pandu, ulah ngambah sagara, siga nu ngadjurung mulih, tjai laut lir anu sungkan disorang.

Nanging sugri kawaasan, ku Bima teu katingali, bawaning tjěngěng manahna, muntang ka Gusti Jang Widi, andjeunna di basisir, teu kantos lami ngalantung, djalaran rosa maksad, [ 70 ]gilig teu galideur deui, Bima antirub geus ngaraas di sagara.

Ti sisi madjěng ka tengah, ngawitan lěrěsan imbit, wuwuh madjeng sěmět paha, wuwuh těngah djero deui, Bima ngambahna tjai, parantos sěmět harigu, tur kateumbagan ombak, sotja karaosna peurih, teu ditolih andjeunna maksa ka tengah.

Wuwuh djěro dumeh něngah, parantos teu napak deui, nja kapaksa těras ngodjaj, ombakna neumbagan tarik, Bima kabuntang-banting, ngodjajna teu pati ladju, saena kiat bědas, lami-lami madjěng těbih, daratan ge parantos hěnteu katingal.

Pangkur

Sinigeug Bima nu ngodjaj, njělang heula katjatur hidji nagri, Darawati anu mashur, djěmbar gěmah rahardja, pasir wukir loh djinawi pandjang-pundjung, dajeuhna teh Meralaja, kongas endah rěsmi rěsik.

Anu djuměněng nalendra, Sang Batara Krěsna andanawarih, titisan Batara Wisnu, putra Sang Basudewa, saderekna Sang Baladewa [ 71 ]Pěrěbu, tunggal sabrajna ke Bima, ti kang ibu Dewi Kunti.

Kasakten Batara Krěsna, hěnteu bade pandjang-pandjang digurit, mung tjinděkna bae pundjul, wantu lungguh Batara, katjaturkeun Maha Prabu keur kapungkur, nalika masih djadjaka, geus „ngahukum” oraj tjai.

Ngaran naga Němburnawa ¹), bongan make ngabaruangan tjai, teu aja nu kuat nginum, ti walungan Jamuna, sato djalma djeung pěpělakan teu hirup, lantaran tjai Jamuna, katjampuran peurah matih.

Ku peurahna Němburnawa, sarta barang ku Krěsna katingali, hawatosna langkung-langkung, ladjěng bae walungan, disaatkeun ku kasaktenna nu luhung, Němburnawa tjeg ditewak, ditjěrěk teu bisa usik.

Barang arek dipaehan, totobatan oraj teh bari tjeurik, hajang dipaparin hirup, Krěsna wělas manahna, Němburnawa dileupaskeun bari njaur: „Hade maneh dihirupan, tapi ulah ganggu deui.


[ 72 ]Lamun ganggu ka manusa, nja di dinja maneh pinanggih pati, tangtu pisan puput umur, djeung maneh kudu njingkah, tuh di ditu matuh di laut nu djauh." Ladjěng eta oraj naga, dialungkeun langkung těbih.

Tjrub di Lawanasagara, laut anu tara kasabadjalmi, si oraj teh dasar palsu, abong tabe'at oraj, gindi pikir bělang bajah teh geus baku, djahat djulig memang tukang, bělik neuteuli maranti.

Sakitu geus disupata, pikirna teh keukeuh bae njungkělit, papadaning puput umur, ku hajang males heula, ka Sri Krěsna atawa ka sipat dulur, paeh ge teu panasaran, lamun enggeus malěs pati.

Urang kotjap deui Bima, nudju ngodjaj ngambah lambak djaladri, salira ngawitan lěsu, parantos meh teu kiat, nadjan mulih deui ge moal kauntup, madjěng mah geus sumawonna, langkung ewěd liwat saking.

Keur kitu wuwuh reuwasna, putjunghul teh oraj ti djěro tjai, tjalawak matana hurung, sungut mani ngabudah, huntuna ge tjarang lantjip [ 73 ]tjara garu, sihung lir doran sapasang, ngandung peurah bangět matih.

Oraj Němburnawa nanja: „Eh satria andjeun nu ngambah tjai, ka mana anu didjugdjug, sarta ti mana asal, arek naon anu matak ngambah laut, pěrnah kumaha ka Krěsna, baraja atawa lain?”

Bima kaget bari bingah, dikintěnna oraj teh moal djail, sarěng ku margi teu umun, oraj bisa njarita, pangintěnna tangtu Dewa bade nulung, Batara nu minda rupa, bade ngadjait balai.

Pok diwaler sahinasna, těrus-těrang hěnteu dipandang-pinding, bari ngaharěp pitulung. rehing teu kiat ngodjaj, nanging oraj kalah seuri bari madju, sarta ngabedjakeun ngaran, djeung asal-usul mimiti.

Těrus pokna: „Sing iatna, nja ajeuna maneh pinanggih pati, baris panganggeusan hirup, ganti Batara Krěsna, rek dipatjok djeung dibeulit mangka rěmuk, eh maneh baraja Krěsna, hajoh sambat nini-aki.”

Bima kaget pok haturna: „Aeh Naga nahaon dosa kami, rek dipatjok teu pupuguh, kami [ 74 ]reudjeung maneh mah, papanggih ge kakara ieu saumur, djeung deui kami djeung Kresna, misah njawa misah djisim.

Ěnja baraja tea mah, tapi lampah lain-lainna deui, lamun maneh teu rek palsu, djeung boga kira-kira, tangtu moal ka kami daek ngaganggu, djung ka ditu maneh njingkah, ulah ala ulah djail."

Njakakak si Němburnawa: ,,Maneh ulah rek loba omong deui, sakieu ge masih untung, memeh aing naradjang, make daek nanja padahal teu pěrlu, sabab anu biasa mah, matjok teu tata pasini !"

Da puguh ěnja oraj mah, adatna teh palsu liwat ti misti, djalma henteu puguh², teu dosa teu nandasa, kětjok bae dipatjok něpí ka rubuh, malah sok něpi ka hilang, keuna peurah oraj děngki.

Atuh kaharti katjida, lamun djalma kabeh ka oraj idjid, mun manggih oraj diběntur, dikěpung dipaehan, tjilakana mun seug djalma oge palsu, manusa mijuni oraj, matak bahja lahir-batin. [ 75 ]Bima nu suda tanaga, bangět běndu ka nu rek ngarah pati, sanadjan parantos lěsu, nanging sakiat-kiat, dikěmpělkeun tanagana kanggo tarung, Němburnawa geus naradjang, tjai teh ngawiak tarik.

Karěpna rek meulit Bima, nanging Bima rosa babadug tarik, oraj diděngkek ku děngkul, djeung ditjěkek beuheungna, tjai laut njěbrot lir ku gunung bitu, ngabudah djiga ngagolak, dipake rěbutan pati.

Bima měrěkpěk nodjosan, ku kukuna Pantjanaka nu matih, kana beuteung reudjeung punduk, oraj teh munggah ratja, lila-lila tina ku bawaning lěsu, Bima lesot panjěkekna, tina beuheung oraj tadi.

Ngagudibag Němburnawa, bari matjok ka Bima djeung ngabintih, karěpna mah mun kauntup, rek neureuj mangka puas, ngan hadena oraj teh kaburu lěsu, keuna peurah Pantjanaka, djeung raheutna rea teuing.

Oraj naga teh sakarat, mani muntir awakna djěro tjai, tinggudjubar tinggědjěbur, sada tjurug sajuta, Němburnawa geus paeh di tengah laut, djadi wadal Pantjanaka hěnteu bisa menjat deui. [ 76 ]

Midjil

Kotjap Bima nu tas ragot djurit, ku matak hawatos, salirana djadi leuleus lětek, nanging bareuh sarta bangět njěri, ku peurah nu matih, njarambah sakudjur.

Geus njamarkeun kana měnjat deui, estu bentěn raos, nja harita dongkapna adjal teh, hamo kiat nandangan kanjeri, Bima bangět sedih, ras emut ka ibu.

Pok sasambat: ,,Aduh ibu Kunti, ieu kuring maot, salah kuring bongan teu ngadenge, kana omong ibu waktu tadi, djeung kakang Darmadji, ajeuna kaduhung.

Mang Widura ejang Bisma Rěsi, nu ngawagěl mios, isarahna kang Baladewa ge, taja anu dinuqu ku kuring, komo ki Pamadi, teu pisan diturut.

Nja ajeuna karasa ku kuring, bongan sok ngadolos, njapirakeun kana omong hade, madawana ka diri pribadi, tobat ibu Kunti, sing agung paralun.

Kuring paeh ku djuligna Rěsi, nipu ngabobodo, dosa naon kuring ka Dorna teh, bět [ 77 ]manehna djail-djail teuing, tulung ibu Kunti, aduh ibu aduh.

Pileuleujan deudeuh bumi-langit, panungtungan nendjo, nja arandjeun anu njaksian teh, adjal kami ku panggawe djulig, titeuleum di tjai, djadi budah laut.

Duh Jang Agung Gusti Maha Sutji, ieu kuring maot, ihlas pisan masrahkeun njawa teh, ka nu gaduh pati reudjeung hurip, mun něpi kadjangdji, njawa kudu mungkur.

Batan hirup nandangan kanjëri, měnding oge maot, muga dosa dihampura kabeh, anu gěde reudjeung anu leutik, nu samar nu sidik, nu ebreh nu njumput."

Ningal Bima estu matak watir, kersaning Jang Manon, nja harita pinanggih mangsa teh, puput adjal dumugi ka pati, teu kenging sumingkir Bima misti pupus.

Lajon Bima tina beungeut tjai, kalěmna teh alon, lir nu sungkan ka dasar laut teh, sapertos nu palaj timbul deui, ka Amarta mulih, tobat ka kang ibu. [ 78 ]Saparantos ngantun beungeut tjai, lajon teu katembong, ngadak-ngadak laut motah mojeg, kawas anu gideug ěmbung nampi, lajon djalma běrsih, ka djěro tjilaut.

Ombak laut lir gunung ngadingding, tur mang-ewon-ewon, lir ngarědjat njingkah ti lajon teh, dibarěngan ngagělěbug angin, tarik leuwih-leuwih, ti djamparing mabur.

Ngagěrungna lir hatong sakěti, dunja lir digěbos, tjai laut djiga sina bahe, tanding Baju ¹) nu keur běndu galih, rek ngabasmi bumi, sina amburadul.

Bumi gendjlong munggah gundjang-gandjing, lir parantos rejod, asa kantun bro ngagěbro bae, tanding Anta ²) nu bade ngabasmi, malar burak-barik, sina lěbur adjur.

Gunung-gunung tinggělegěr muni, djagat munggah lendjong, turug-turug hudjan lěbu


[ 79 ]poek, panonpoe surup memeh wantji, sieun keueung kětir, eusi dunja gugup.

Paněkana dunja anu gondjing, ku Dewa karaos, di sawarga bajeungjang nereptep, tatangkalan ngadadak gararing, musna kabeh sari, djadi měděm alum.

Ěmas hurung tjahajana leungit, sakur nu montjorong, djadi paut djeung rarumeuk kabeh, balong saat tjai hěnteu palid, djeung poek lir magrib, tur gugur gumuruh.

Geus waspada Sang Hyang Otipati, jen anu sajaktos, sadajana eta teh totonde, gara-gara Bima kěneng pati, panggawe nu djail, malar puput umur.

Sang Batara Guru anu sidik, tur iasa rastjlok, ladjěng bae saharita keneh, kěrsa lungsur ka těngah djaladri, lěbah nu lastari, Bima anu pupus.

Sarta njamur djadi djalma alit, anu kate tjabol, tur pameunteu ti Bima teu geseh, lir saderek kěmbar raka-raji, sarta gěntos nami, salamina njamur. [ 80 ]Njěbat andjeun nami Dewarutji, enggalna tjarios, geus djol sumping ka sagara bae, ningal Bima sangět ngangrès galih, djalma běrsih ati, „dilělěpkeun" batur.

Saparantos Sang Batara sumping, dunja anu gendjong, ngadak-ngadak adjeg deui sae, gunung reureuh laut oge tjitjing, sarta angin palis, raat hudjan lěbu.

Panonpoe oge tembong deui, sinarna montjorong, langit lenglang sabiasa bae, djagat pulih sakuma sasari, tjai palid deui, kakajon salubur.

Bima kalěm dina djěro tjai, lalaunan alon, dasar laut lir sungkan nampi teh, nampi lajon djalma putih bersih, wadal napsu djail, laku guru palsu.

Katingali ku Sanghyang Pramesti, Bima djadi lajon, bangět wělas Batara Guru teh, pok ngalahir: „Udjang deudeuh teuing, bět něpi ka pati, ku mantěp ka guru.

Abong ěnja hiděp běrsih ati, lěmpěng tara serong, ka batur ge njangka bersih bae, henteu aja timburu saeutik, ieu komo deui, ka guru pinundjul." [ 81 ]Djagatnata ratuning Dewadi, ka lajon teh měntjrong, wantu-wantu Dewa nu murbeng-reh. kapalajna sadajana djadi, taja nu mustahil, mo-al hěnteu makbul.

Geus ngěrsakeun Bima hirup deui, lir nu gugah ebog, djeung salira nu bareuh geuneuk teh, tilas peurah Němburnawa tadi, ajeuna geus pulih, biasa kapungkur.

Djeung sanadjan dina djěro tjai, tětěp bae raos, henteu eungap lir di darat bae, asa njeuseup hawa sěgěr běrsih, sarěng hěnteu tiris. asa anggěr tuhur.

Asmarandana

Njah beunta kulisik tanghi, lir anu tas kulěm tibra, sadjongdjongan běngong bae, dumeh bentěn titingalan, asa dina impenan, lami pisan ngemut-ngemut, djeung ngarampaan salira.

Nanging da sidik teu ngimpi, hěnteu ngalindur teu gundam, teu sasar atawa mabok, mung tetela pindah alam, dina dasar sagara, sarta emut jen tas tarung, reudjeung naga Němburnawa. [ 82 ]Bima bangět ewěd galih, henteu kahartos ku akal, dugi ka djadi kitu teh, dumeh teu tiris teu eungap, tur salira waluja, djung ngaděg kersana timbul, bade ka beungeut sagara.

Nanging barang larak-lirik, dina lěbah „tangkal" karang, bět ningali djalma kate, gědena ukur satěpak, tur njěples lir andjeunna, Bima kagetna kalangkung, wuwuh-wuwuh bae heran.

Ngagěrěm Bima ngalahir: „Eh maneh nu djiga djalma, naha maneh mahluk naon, gandarwa naha manusa, sarta naon sababna, bět aja di dasar laut, naon anu diteangan."

Pok ngawalon Dewarutji: „He Bima mangka waspada, sarta poma ulah kaget, ejang teh nu saěnjana, ka hiděp ngahirupan, nja ejang anu saestu, nu ka hiděp rek miwělas.

Ngaran ejang Dewarutji, ngarasa bangět teu tega, nendjo hiděp tadi maot, tas pěrang djeung Němburnawa, djeung ejang těrang pisan, jen pangna hiděp ka laut, dumeh ngagugu ka Dorna.

Dititah neangan tjai, ngaranna tjai Pawitra, padahal eta teh bohong. Dorna mah nu [ 83 ]saějana, dumeh djahat niatna, arek ngalědjokeun wungkul, malar hiděp tuluj hilang."

Bima kaget liwat saking, ka djalma kate waspada, geus teu sak manah Bima teh, jen Dewarutji teh Dewa, nu nulungan andjeunna, Bima bingah bari njaur, ngědalkeun kaheran manah ¹).

„Eta omong andjeun tadi, sakětjap ge hěnteu salah, tapi kula masih helok, andjeun teh geuning bět těrang, kana maksud kaula, kana ngaran ge pon kitu, kawas nu geus loma-pisan."

Dewarutji njaur deui: „Ejang memang těrang pisan, kana djudjutan hiděp ge, rama hiděp teh nu njata, Pandu djěněnganana, tapi ari nu saestu, Sang Baju anu ngajuga.

Tuang ibu Dewi Kunti, putra Prabu Kuntibodja, hiděp teh boga saderek, dua saibu-sarama, nu sepuh Judistira, Ardjuna saderek bungsu, ari hiděp nu paněngah.

Saderek teh aja deui, misah ibu tunggal rama, Madrim ibu kawalon teh, putrana


[ 84 ]bar sapasang, Nakula djeung Sadewa, matak deudeuh ku pahatu, geus teu ibu geus teu rama.

Sakitu ejang wawarti, seheulaanan mah tjěkap, mangga urang timbul bae, tjalik ka rorompok ejang, di dieu ěntong lila, ěngke lamun geus di ditu, urang tjatjarita pandjang."

Enggal bae Dewarutji, sami timbul sarěng Bima, geus timbul teh Bima kaget, bět aja di hidji nusa, pulo endah katjida, tur měntjil di tengah laut, teu aja deui baturna.

Eta pulo těgěs leutik, ngan tjukup keur hidji imah, djeung buruanana bae, nu dibalaj ku pěrmata, rupa-rupa sosotja, heug tamansarina lutju, lir taman Dewa Asmara.

Djukut lir alkětip wilis, sutra anu lěměs tea. pagěrna diaheng-aheng, rudji-rudjina malela, make dirěngga-rěngga, gapurana hurung mantjur, ěmas nu ruhaj burahaj.

Tjara tjatjapit kapiting, dina meundeut djeung mukana, tur muka-meundeut ku maneh. Dewarutji sarěng Bima, geus ngalangkung gapura, matak helok sakalangkung, ningal kaanehan imah. [ 85 ]Bilikna kuningansari. lantena salaka mubjar, tihangna ku ěmas kabeh, ari para ku tambaga, hateupna ku suasa, lawangna kantjana murub, kitu deui djandelana.

Aambeuan sarareungit, matak rasmi kana rasa. tur hawana segěr raos, hěnteu tiris teu hareudang, matak djagdjag salira, parabot imah aralus, singsarwa aheng tur endah.

Unggal medja geus sajagi, rupi-rupi katuangan, buah-buah kitu keneh, leueuteun taja kakirang, eta teh sadajana, pangěrsa Batara Guru, ngabidjilkeun pangawasa.

Pok ngalahir Dewarutji: „Tah di dieu tumaninah, raos kanggo tjatjarios, hiděp di dieu sing senang, ulah rek asa-asa. Bima pěrlente ngawangsul, bari hěnteu wěleh heran:

„Kaula wěleh tjan ngarti, kana ieu kaahengan, djeung ka salira andjeun ge, nadjan geus těrang djěněngan, masih ngarasa samar, na'saha andjeun teh atuh, anu saĕnja-ěnjana.

Djeung eta andjeun teh geuning, ongkoh nja leutik nja budak, tapi ngomong tjara kolot, [ 86 ]malah ngabasakeun ejang, asa ku teu měrěnah, sabab lamun ngukur umur, tangtu pisan kolot kula."

Gumudjeng Sang Dewarutji: „Mungguh hiděp reudjeung ejang, ejang nu leuwih kolot teh, dalah ejang Abiasa, Bisma djeung Tjitranggada ¹), atawa ujut Santanu, kabeh sahandapeun ejang.

Nadjan mapaj Prabu Asti, těrus ka Prabu Barata, karuhun hiděp nu sohor, teu mapakan ka ejang mah, kabeh ge sasat budak, teu aja nu langkung sěpuh, mun dibandingke ka ejang.

Nja ejang Si Muladjadi, djeung mun hiděp teu pěrtjaja, hade hidep asup bae, kana djěro awak ejang, ěngke geus tangtu měndak, nu anehna sakalangkung, di dunja taja bangsana."

Bima teh ladjěng ngalahir: „Kula lain teu pěrtjaja, ngomong soteh dumeh helok, saumur kakara měndak, nu sakti tjara ejang, komo ieu nitah asup, ka djěro salira ejang.


[ 87 ]Ku kula hěnteu kaharti, kudu ti mana djalanna, sabab awak kula gěde, boro boro kudjur badan, peureup ge tangtu mělag, kuma rek bisana asup, asa pamohalan pisan."

Njeuleukeuteuk Dewarutji: „Hiděp ulah kaewuhan, djalan asup teh teu hese, abus tina tjeuli ejang, ieu tjeuli nu kentja, ulah bingung dumeh lěmbut, anggur hěmpek geura tjoba.

Bima panasaran galih, ka Dewarutji njaketan, ladjeng kana tjěpil němpo, estu aneh matak heran, tjěpil teh bět lalěga, kalajan gampil blus abus, geus aja di lěbět raga.

Poek mongkleng buta radin ¹), pětěng dědět buta rata, teu awas ka naon-naon, Bima teu kintěn ewědna, henteu kantěnan pěta, mundur tambuh madju paur, ladjeng ngadjěngdjen teu obah.

Sabot kitu ngong kakuping, sidik anu sasauran, Dewarutji nu njaur teh: „Eh hiděp Bima kumaha, naon anu katingal?" Bima kaget pok ngawangsul: „Tobat ejang poek pisan.


[ 88 ]Leuwih pětěng batan peuting, nadjan tjuruk deukeut mata, ku kula hěnteu katendjo, kula teh kudu kumaha, djeung ejang teh di mana, pangdenge kula teu djauh, djiga di hareupeun pisan."

Geus tamat Bima ngalahir, sakědap netra braj tjaang, lir tjaangna těngah poe, tapi teu ngarasa panas, djeung henteu pisan serab, tjaang tapi tětěp iuh, djeung hawa segěr ngareunah.

Ari nu leuwih adjaib, dumeh di pajuneun Bima, tetela atra katembong, aja Dewarutji lenggah, sarupi nu ngantosan, Bima kaget ladjěng njaur: „He mahluk maneh teh saha.

Bět ku njěples Dewarutji, naha maneh teh dulurna?" Nu ditaros pok ngawalon: „Hiděp ulah kasamaran, ejang teh saenjana, tunggal Dewarutji estu, anu keur tadi di luar.

Sabab mungguh Nu Sadjati, di mana-mana ge aja, henteu arah hěnteu ěnggon, teu indungan teu bapaan, sarta hěnteu anakan, teu didjěněngkeun ku batur, sipat Langgěng tur Ti Heula." [ 89 ]

Putjung

Bima bengong olohok lami kalangkung, těras sasauran: „Kula masih keneh helok, ari tadi poek teh naon hartina?"

Dewarutji ngawalonna bari imut: „Harti poek tea, eta mah sasmita bae. minangkana urang „aja di euweuhna".

Těgěsna teh aja tapi teu ngawudjud, teu atjan gumělar, atjan ngadjirim katembong, anu matak tas poek tuluj braj tjaang.

Minangkana urang geus gělar ngawudjud, aja di kieuna, tapi sanadjan kitu ge, atjan boga akal budi pantjadria.

Tjoba hiděp ajeuna mangka saestu, sing těgěs sing awas, něngětan anu katembong, manggih naon djeung djiga naon rupana?"

Ladjěng Bima ningal ka gigir ka pajun, ka luhur ka handap, ka pungkur dilieuk kabeh, langkung aneh bět teu aja nu katingal.

Jaktos tjaang tur paningal teu kaganggu, nanging opat madhab, katut luhur-handap kosong, titingalan lowong teu aja tungtungna. [ 90 ]Harita teh duka di handap di luhur, asa teu kantěnan, ku Bima němbe karaos, jen sampean henteu aja nu didampal.

Sahandapeun sampean teh kosong suwung, luhureun mastaka, sami bae suwung keneh. matak helok teu uninga lěbah mana.

Sabot kitu ningal tjahja njorot ngěmpur, pirang-pirang warna, beureun bodas hedjo koneng, paul wungu hawuk kajas wulung djingga.

Mun diitung geus tangtu mangrebu-rebu. pasělup-pasělang, padjeudjeut patjorok-tjorok, munggah nganjam pasusun patumpang-tumpang.

Bima njaur ka Dewarutji nu luhung: „Titingalan kula, aja tjahja ewon-ewon, mun dibilang warnana moal kabilang.

Naon tea hartina anu saestu, kula hajang těrang." Dewarutji pok ngawalon: „Eta tjahja lir kahajang pantjadria.

Kahajang teh mun diitung teu kaitung, taja kaseubeuhan, djeung asalna kahajang teh, mědal tina gětěr pantjadria tea. [ 91 ]Panon tjeuli letah kulit reudjeung irung, baroga kahajang, tur lain sarupa bae, djeung teu punah ku sakali ditědunan.

Lamun eta kabeh kahajang digugu, taja panjandětna, „hawěk" tea ngaranna teh, balukarna nja matak djadi ngaruksak.

Nu geus puguh matak ngarugikeun batur. disěbutna murka, mawatna kana běděgong, dibarengan tělěngěs gangas tur djahat.

Henteu era goroh bohong nipu malsu, teu nolih nu lian, gěpeng pědjet mangsabodo, asal bae manehna ngeunah sorangan.

Saupama eusi dunja djiga kitu, pasti moal aman, tangtu kusut djeung tjerewed, itu ieu silih gěmpur silih arah.

Sabab nadjan kahajang tea diturut, lulus ditjumponan, ngan saheulaanan bae, ěngkena teh hajang deui malah tambah.

Ku hal eta urang kudu bisa měgung, djeung mangkring kahajang, ulah sagala didolos, sabab tangtu moal hade balukarna.

Ajeuna mah hiděp oge ěnggeus tangtu, [ 92 ]ti maksud ejang, tjing tjoba ajeuna tendjo, tjahja tea gumulungna sabaraha?"

Bima tjěngkat nigali tjahaja nu ngěmpur. bět luslěs teu aja, kantun opat nu katembong, warna hideung koneng beureum sarěng bodas.

Pok undjukan ka Dewarutji nu luhung: „Ejang eta tjahja, kari opat nu katembong, naha naon eta tjahja teh hartina?"

Nu ditaros ka Bima alon ngawangsul: „Eta opat sinar, eusi" djasad nu sajaktos, nu tilu teh sok mangaruhan nu bodas.

Tjahja hideung karěp atawana napsu, ari nu koneng mah, budi-akal hartina teh, tjahja beureum wawanen anu sanjata.

Sinar bodas kasutjian anu estu, běrěsih tur njatjas, watěkna sadrah tur saleh, tara sieun tara guguan rendjagan.

Hideung koneng djeung beureum eta nu tilu, upama nangtungna, dina tatapakan hade, matak bagdja mawat rahardjaning dunja.

Tapi lamun serong nangtung dina kiruh. tangtu pamawana, kana goreng djeung pagetreng, matak sangar dunja teh awut-awutan. [ 93 ]Urang papaj hidji-hidjina sing puguh, sinar hideung tea, těgěsna napsu nu jaktos, napsu tea těmpat ngumpulna kahajang.

Gěrakna teh dina karěp reudjeung maksud, upamana tea, napsu karep djeung maksud teh. ditudjukeun kana hidji kahadean.

Dibarěngan ku akal budi nu alus, tjukup wawanenna, prak didjalankeun sing saleh, tangtu pisan matak djadi kasěnangan.

Nadjan maksud tea teu parěng dikabul, hěnteu matak tjatjad, urang moal kapigoreng, sabab lain ngalampahkeun kadjahatan.

Sabalikna saupama eta napsu, dilojogkeunana, kana maksud nu teu hade, dibarengan ku wawanen reudjeung akal.

Tangtu pisan matak ngarugikeun batur, sarta madawana, nja ka awak urang keneh, moal henteu badan anu katěmpuhan.

Awal ahir malinděsna teh geus tangtu, urang ngarandapan. „bubuatan" urang keneh, moal burung njěri peurih nu kapěndak. [ 94 ]Napsu tea upama tĕrus digugu, mo aja seubeuhna, tampolana tuluj mĕrod, diawěrna nja eta ku budi akal.

Budi~akal nu dipake mangkring napsu, sangkan teu tjilaka, „těmahwadi” ngaranna teh, mun saimbang ngaranna djadi „wiwaha”.

Mungguh napsu djadi panggědena musuh, lamun teu ditahan, pohara ngagaksakna teh, tara eureun lamun badan tatjan ruksak.

Sabalikna mun djalma teu boga napsu, matak taja hodjah, kitu-kieu masabodo, kintjup kěmba djalma euweuh kabudajan.

Paeh karěp djalma anu suwung napsu, sagalana sungkan, kitu ěmbung kieu hese, hěnteu beda ti artja aja njawaan.

Tjinděkna mah mungguh djalma anu hirup, katjida pěrluna, kaantjikan ku napsu teh, ngan makena kudu reudjeung kira-kira.

Kinanti

Sinar hideung teh sakitu, sinar koneng boga harti, sasmitaning budi-akal, ieu teh anu utami, [ 95 ]mun dipake kahadean, matak njalamětkeun diri.

Djeung matak guna ka batur, tiis dingin sĕpi tingtrim, kěrta dumeh taja murka, silih asuh silih asih, silih djaring silih djaga, pada-pada mahluk Gusti.

Tapi mun pake teu puguh, eta akal reudjeung budi, moal kurang mamalana, ka nu lian matak rugi, ka urang moal djamuga, da kaběndon ku Jang Widi.

Dunja tangtu djadi kusut, lidig dumeh kagiridig, ku paněka akal djahat, geuleuh ku rendahna budi, pinuh kěběk ku basilat, tipu palsu linjok litjik.

Tapi mungguh Maha Agung, tangtu pisan moal widi, laku djahat tara lana, awal ahir sok kabasmi, sok aja bae djalanna, geusan apěsna nu djulig.

Djalan untung meunang nipu, nadjan sugih moal muklis, nadjan beunghar moal mulja, wawalesna sok kapanggih, sanadjan henteu ku urang, ku anak intju mah pasti. [ 96 ]Djadi tjinděkna nu puguh, eta budi-akal tadi, buktina mah kapintěran, katut elmuna sakali. ieu teh tjara pakarang, anu seukeut sarta lantjip.

Bisa mahala-mahaju, mahalana anu pasti, mun dipake kagorengan, matak tiwas matak rugi, tapi ari mahajuna, mun dipake amal muklis.

Mun elmu pake tutulung, paedahna lahir batin, mun elmu teu djeung amalna, ieu mah pasti mubadir, lir damar teu djeung tjaangna, taja gawena saeutik.

Mungguh djalma luhur elmu, mun dipake ka nu hasil, mawat rea sobat kadang, pada neang pada njungsi, malah mun urang teu aja, ditaranjakeun geus pasti.

Teu tjara ka nu balilu, aja euweuh teu paduli, aja sasat teu katara, euweuh teu ngarasa leungit, lir nu teu abus itungan, dianggap tjara ka angin.

Ari anehna teh elmu, mun beuki luhur diulik, urang teh beuki ngarasa, katunaanana diri, ngarasa kurang katěrang, dibanding djeung elmu tadi. [ 97 ]Sihoreng elmu Jang Agung, lir sagara tanpa těpi. lir gunung tanpa tutugan, teu aja geusan ngabanding, tina kareanana, diwintjik moal kawintjik.

Tjahja koneng teh sakitu, tjahja beureum nu kawarti, eta teh djadi sasmita, tjiri jen gěde kawani, watěkna wawanen tea, bisa ngadjung-djungkeun diri.

Karana anu geus tangtu, djalma wani sok dipudji, ari „warna" wani tea, rupa-rupa lain hidji, tur rupa-rupa larapna, boga těmpat masing-masing.

Aja wani kana tarung, gělut reudjeung rebut djurit, tatandang ngětohkeun njawa, teu inggis begalan pati, tah anu kieu ngaranna, disěbut „wani pradjurit”.

Aja deui wani „tuhu", teu inggis nadian dipeuntjit. ngabelaan běběněran, ngalakonan sipat adil, teu rentag diantjam pědang, asal tětěp dina adil.

Ari wani nu katilu, disebutna „wani sutji", hěnteu gědag ku panjawad, hěnteu isin hěnteu [ 98 ]adjrih, da jakin jen lampah balal, tur ka batur hěnteu rugi.

Wani kaopat katiatur, nu disěbut „wani batin", utjep rengkek sahinasna, hěnteu dipandang-dipinding, hěnteu ad-ad teu ruměgag, ngědalkeun kěrětěg ati.

„Wani-wadal" nah nu tangtu, teu nolih diri pribadi, rugi atawa balangsak, těrkadang němahan pati, asal nu lan waluja, bisa katulung kadjait.

„Wani-lara” anu puguh, sanggup nandangan kanjeri, atawa kaprihatinan, geusan ngudag maksud sutji, daek sadrah tur wajahna, asal maksud bisa hasil.

Ajeuna wani katudjuh, „wani-samar" nu sa jakti, sanggup mapaj nu teu njata, tur matak bahja ka diri, neangan nu tjan kapěndak, makajakeun nu pandeuri.

Tah eta wani nu tudjuh, mun barěng djeung napsu běrsih, dibarung ku akal waras, djeung kasutjian nu wěning, tangtu matak hardja dunja, taja kakurang saeutik. [ 99 ]Sabalikna tina kitu, mun eta tudjuh kawani, dibarěngan ku dursila, harti sutjina ge leungit, nja djadi ,,wani-danawa", atawa ,,wani-hewani".

,,Wani-danawa" teh tangtu, taja duduga pamilih, santral-sontrol tjara buta, ngujup nguntup ieu aing, ka lawan njatjampah pisan, tungtungna tjilaka diri.

,,Wani-hewani" meh kitu, ieu mah ngabela diri, sateka-teka ngalawan, tapi teu make diidjir, lir ngamuk bagong bajangan, geuning teu wěleh ngaguling.

Mungguh wani nu saestu, pasti dibarěngan budi, měkar di huripna akal, sarta karepna ge běrsih, teu malar hajang katangar, teu mambrih sadji djeung pudji.

Moal nguntup ka nu lembut, moal wani ka nu leutik, moal nangtang ka nu handap, moal milih geusan tanding, moal njiar geusan lawan, ribut gujur teh dipahing.

Ajeuna anu katjatur, hal tjahaja anu putih, sasmitana kasutjian, ari watěkna nu sutji, suwung tina kagorengan, běrsih sadjatining běrsih. [ 100 ]Numbuk pakewuh teu ewuh, manggih kasědih teu sědih, měndak lara geus teu lara, njěri teu dipikir njeri, dianggap beungharna rasa, rasa pangasih Jang Widi.

Nganggap gandjaran Nu Agung, nambah sugih rasa diri, těrang di ewuh di susah, jakin ka njěri ka sědih, tětěp sadrah suka lilah, suměrah lahir djeung batin.

Tapi sadjěroning kitu, manehna teu tinggal wadjib, nja eta wadjib ihtiar, ieu mah kaitung misti, sabab geus hakna manusa, ihtiar satungtung hurip.

Karana mungguh Jang Agung, teu ngarobah takdir djalmi, mun hěnteu si Djalmi tea, ihtiar ngarobah takdir, usaha sabisa-bisa, tapi ulah bari mungkir.

Djalma nu sutji linuhung, hatena tanding djaladri, lega djembar lir sagara, tětěp teu kiruh teu běning, nadjan rea tjai tjaah, ngamuara ka djaladri.

Sagara teh moal kiruh, tapi sabalikna deui, sanadjan katinggang hudjan, unggal poe unggal peuting, laut moal tambah herang, anggěr saasal nu murni. [ 101 ]Nja kitu djalma nu luhung, ku djalma nu rěndah budi, teu burung pake kangewa, djadi binih sirik-pidik, djadi tjětjěla wawada, lahan pamitjeunan děngki.

Sanadjan dipikagiruk, didjieun bahan kaidjid, digogoreng dipepenal, digeugeuleuh dirurudjit, dibaledog ti poekna, nu sutji mah tětěp sutji.

Djeung sabalikna ti kitu, nadjan diheman diasih, dipudji dipudja-pudja, nu sutji teu tambah sutji, anggěr sakitu-kituna, teu robah ti nu sadjati.

Estu bagdjaning nu hirup, upama geus bisa sutji, běrsih ti rěrěgěd dunja, taja noda lahir-batin, nampa sadjatining rahmat, mungguh djalma anu sutji.

Ngan handjakal warna tilu, sok mangaruhan ka putih, sěring ngelehkeun ka bodas, ngalunturan ka nu sutji, dasar kitu watěk dunja, hese dibawana bersih.

Warna nu opat teh estu, eusina djasad pribadi, ngantjik dina badan urang, tumpak parahu rohani, dikamudina ku djiwa, diwěngkuku těmah wadi. [ 102 ]Kitu deui warna sewu, nu ti heula katingali, ngantjikna di badan urang, kari kumaha pribadi, diumbar djeung dipangkringna, rebuan kahajang tadi.

Dandanggula

Pandjang pisan wědjang Dewarutji, babakuna bab kasampurnaan, jen hirup teh kedah sae, laku sinareng kalbu, kědah běrsih ulah rek djail, margi nu djail tea, awal ahir tangtu, sok pinanggih wawalěsna, djalma djahat moal rek djamuga diri, kudu bae doraka.

Nadjan pintěr pinandita watjis, luhur elmu djěmbar kauninga, upami manahna serong, hirupna hamo mulus, nadjan beunghar tur sugih mukti, menak tur luhur pangkat, saupami hasud, tangtos surud komarana, hukuman teh isuk pageto kapanggih, urang mo bisa mungpang.

Taja batan hirup silih asih, mědal tina wěninging wěrdaja, nadjan sakapeung sok sewot, lain sewot ku hasud, sewot mědal tina trěsnasih, ibarat hidji bapa, atawana indung, anu ngarangket anakna, běněr sewot tur meupeuh teh matak njěri, tapi lain ku ngewa. [ 103 ]Meupeuh mědal tina rasa asih, neunggeul soteh ngawarah ka anak, malar budak djadi kapok, tah njěri bangsa kitu, moal matak djadi njungkělit, dumeh sungapanana, lain hate kiruh, djadi ku lantaran eta, urang hirup kudu ngagědekeun asih, trěsna njaah djeung wělas.

Watěk asih matak repeh-rapih, hirup tengtrěm anggang ti hariwang, estu djědjem djudjur djongdjon, nungtun kana rahaju, pěrbawana djamuga diri, lantaran rea sobat, nu satia tuhu, panarikna asih tea, sahěnteuna sok matak murah rědjěki, dumeh rea nu haat.

Anu hěnteu kaantjikan asih, leuwih rěndah batan sato-hewan, geura pek ku hiděp tendjo, nadjan bangsaning maung, nu galakna kaliwat saking, maung ngagalaksakna, keur hakaneun wungkul, ngan sakadar mun keur lapar, kitu soteh ka anakna mah pribadi, lapar ge teu ngahakan.

Malah lamun beuteungna keur buntjir, aja kidang liwat ge teu ngudag, ukur gagauran bae, moal teu puguh-puguh, galak ganggu ka sato leutik, nu lain mamangsanna, eta ninggang maung, atuh komo djělěma mah, ganggu djail kudu dipahing dipangkring, sing djadi gudang tresna. [ 104 ]„Ajeuna mah he Bima anaking, geuwat mědal tina awak ejang, hade hiděp luntjat bae." Barang Bima ngadangu, pilahirna Sang Dewarutji, ladjěng bae djlěng luntjat, hěnteu puguh tudju, luntjat saluntjat-luntjatna, langkung kaget barang andjeunna ningali, aja di lěbět kamar.

Dina lebět kamar ěmas rukmi, těngah bumi tilas handjat tea, Bima kaget rarat-reret, ningali nu tjinutrung, sidik pisan jen Dewarutji, ka Bima pok mariksa, tur teu kěndat imut. „Ajeuna hiděp kumaha, naha arek keukeuh bae njiar tjai, sakahajangna Dorna.

Eta tjai Pawitra nu sutji, di dunja mah tetela teu aja, nguběk sakolong langit ge, tangtu moal katimu, ku lantaran ajana tjai, ngan wungkul di sawarga, sabab tjai kitu, ngan wungkul leueuteun Dewa, ku hal eta hiděp oge měnding balik, ulah tuluj neangan."

Bima njaur ka Sang Dewarutji: „Wulang ejang dirěgěpkeun pisan, kula moal pindo gawe. mun sidik moal nimu, ajeuna ge kula rek balik, tapi boga pamenta, lamun ejang sapuk. kula teh ku hajang meunang, Tji-Pawitra tembongkeuneun ka Sang Rěsi, jen kula hěntu gaplah. [ 105 ]Dumeh kula tadina geus djangdji, sanggup mawa Tji-Pawitra tea, djadi mun seug kula lengoh, hartina kula palsu, ngabobodo ka Maha Rěsi, kula mah ěmbung tjidra, sumawon ka guru, dalah ka budak satěpak, teu kaduga udar djangdji lantja-lintji, sieun bisi doraka.

Tjınděkna mah daek kula balik, tapi bari mawa Tji-Pawitra, batan lengoh kadjeun maot, njawa kula ditjabut, tadina ge geus paeh geuning, ku ejang dihirupan, atuh ejang kudu, daek katěmpuhanana, lamun ejang ka kula teu mere tai, kula kudu paehan.

Sina paeh deui tjara tadi, lěp diteuleum ka dasar sagara." Kitu pihatur Bima teh, Dewarutji ngawangsul: „Putu ejang nu lěmpěng pikir, ejang bungah katjida, nguping hiděp kitu. tukuh kana běběněran, tjěpět běněr keukeuh-pageuh kana djangdji, njata hiděp prawira.

Geusan tanda ejang bungah ati, ieu tjěpuk ku hiděp tampanan, ari eusina tjupu teh, Tji-Pawitra nu mashur, pek tembongkeun ka Dorna Resi." Bima bungah katjida, geus nampanan tjepuk, Dewarutji mindo njabda: „Djaba eta ejang teh arek maparin, samping ti Kadewatan. [ 106 ]Disěbutna Bang-Bintulu-Adji, djeung sok nělah si Tabla-Kantjana, buktina mah samping poleng, kotak-kotak lir dadu, opat warna lir sinar tadi, hideung nu mimitina, djeung koneng pasělup, disělangan beureum bodas, hartina mah ku ejang ge geus diwintji, sasmita tjahja tea."

Bima atoh anu tanpa tanding, nampi tjěpuk reudjeung sindjang tea, malah harita dianggo, eukeur mah bakat pangguh, ajeuna teh djabi ti ginding, wuwuh gagah tur gandang, surup tangtung pamuk, matak gigis lamun tandang, lir Batara Kala rek ngagempur bumi, nja rosa nja prakosa.

Dewarutji sasauran deui: „Ajeuna mah hiděp hade mulang, da geus hasil tjaina ge, djung ka Amarta wangsul, sabab ibu djeung Kang Darmadji, reudjeung adi sadaja, mělangna kalangkung, malah lamun hiděp datang, tangtu njondong kakang Krěsna němbe sumping, dumeh sami mělangna.

Di Amarta entong lila teuing, kudu těrus djung ka Sokalima, di dinja pasti kasondong, djabi ti Dorna Wiku, tangtos aja Sang [ 107 ]Kurupati, rěmpěg sapangiringna, nudju guněza tjatur, tah eta pandita Dorna, heug ku hiděp pěrgasa satengah mati, bongan pandita tjidra."

Bima kaget ngadangu pilahir, salirana dugi ka ngarendjag, ka Dewarutji pok naros: ,,Engke bisi kaliru, kula nanja dumeh teu ngarti, pangdenge tjeuli kula, Dorna teh digěbug, satengah paeh pěrgasa, naha běněr kitu omong ejang tadi, naha ejang teu salah.

Ejang oge tangtu terang sidik, jen Dorna teh njata guru kula, mangkaning tjarek papagon, mungguh murid ka guru, kudu ngesto lahir djeung batin, alahbatan ka bapa, sumawon ngagěbug, nambalang oge teu meunang, kula sieun kaběndon ku Maha Sutji, upama njiksa Dorna."

Njeuleukeuteuk Maha Dewarutji: ,,Deudeuh hiděp Bima putu ejang, ku hidep mangka kahartos, urang ngahormat guru, memang běněr teu salah deui, tapi palěbah Dorna, nu kudu dihukum, lain ,,kaguruanana", hukum soteh sipatna nu djail děngki, bongan djahat hianat.

Djalma djahat memangna geus misti, kudu meunang hukum sapantěsna, nadjan guru [ 108 ]djeung ratu ge, mun djulig kudu hukum, sabab kitu mungguhing adil, boh dulur boh baraja, boh handap boh luhur, teu meunang dibeda-beda, kaadilan teu bisaeun pilih kasih, kudu rata larapna.

Hiděp oge teu matak pamali, mun měrgasa ka pandita Dorna, diadjar satengah pach. lain dumeh ka guru, tapi dumeh ka djalma djail, su paja ulah natrat, ngadjalankeun hasud, djung hiděp ajeuna mulang, sarta sangkan hiděp gampang ngambah tjai, leumpang teh tapak kantjang."

Ladjěng Bima ku Sang Dewarutji, dipiwědjang adji tapak kantjang, „djalasěngara" nu sohor, hartosna anu tangtu, basa „djala" těgěsna „tjai", „sengara" pamohalan" ¹), djadi anu puguh, lir upama pamohalan, mungguh djalma bisa leumpang dina tja, kitu ngaran adjian.

Djabi eta aja deui adji, nu disěbat ,,Baju Pangawasa" ²), těgěsna anu sajaktos, hartosna kětjap „baju", tjek Sunda mah nja eta angin,


[ 109 ]hartosna „pangawasa", teu kědah ditjatur, tjek Sunda ge pangawasa", tjohagna mah pangawasa tjara angin, margi Bima mun angkat.

Jasa kěbat gantjang tanding angin, urang kotjap adjian nu dua, geus aja di Bima kabeh, sadaja geus kamaphum, ladjěng Bima harita pamit, parantos kawidian, ladjěng Bima kondur, kaluar ti gědong ěmas, ka buruan ladjěng ngambah kana tjai, bari mapat adjian.

Samemeh djung Bima teh ngalirik, njělang ningal bumi tadi tea, ngarandjug bawaning kaget, gědong ěmas geus suwung, ilang musna lěs tanpa lebih, katut Dewarutjina, Bima ladjěng njaur: „Euh njata pisan teu samar, nu tadi teh Sanghyang Guru Pramesti, lungsur ka martjapada."

Sakuriling bungking wungkul tjai, ladjěng Bima angkat napak kantjang, dina beungeut tjai entjer, lir napak dina batu, henteu abus ka djěro tjai, angkat mung sakolepat, ka darat geus tjunduk, gidig angkat saba alas, hěnteu sěsah nadjan njorang leuweung rumpil, ku pěrwatěk adjian. [ 110 ]

Sinom

Urang sigeug heula Bima, katjarios hidji nagri, Dwaraka nu djĕmbar hardja, tjek urang mah Darawati, anu djěněng Narpati, Sri Krěsna titisan Wisnu, pěrnah misan Pandawa, Sang Nata kamashur sakti, widjaksana linuhung gělar Batara.

Jasa ngapung ngambah mega, sinarěng ngilěs ngaleungit, kitu deui mindarupa, djeung triwikrama ¹) teh gampil, djimatna rupi-rupi, pandjang upami ditjatur, mung sarupi nu kotjap, nja eta kěmbang panghurip, nu katělah sěkar Widjajakusuma ²).

Pakarangna Sang Nalendra, sěndjata tjakra adjaib, nadjan gunung pasti pujar, katiban ku tjakra tadi, saat nadjan djaladri, katinggang pakarang Wisnu, katjatur salirana, Sri Krěsna teh djangkung alit, bangun tjangkěr tangginas rikat rantjingas.


[ 111 ]Hideung pakulitanana, nanging lĕlĕb sarta sari, Sang Prabu sarĕng Pandawa, mimitran rukĕt tur dalit, tur ku djalaran wargi, Sri Krĕsna ge sĕring rawuh, ka Nagara Amarta, bari barĕmpag pĕrkawis, nu patali djeung bagbagan ngĕreh pradja.

Malah dangĕt ieu pisan, Batara Krĕsna nu sakti, nudju linggih di Amarta, barĕmpag djeung Samiadji, misaurkeun kang raji, Bima nu angkat ka laut, taja wartos~wartosna, naha jasa mulih deui, lamun pupus di lĕbah mana lajonna.

Sabot ngariung sadaja, bĕt torodjol Bima sumping, atuh anu masamoan, kaget bari bingah galih, Kunti mah munggah nangis, Bima dirontok dirangkul, sadaja sosonoan, para raka para raji, rupi~rupi papariksana ka Bima.

Galantang Bima popojan, njarioskeun waktu tadi, ti barang djung ti Amarta, dumugi ka mulih deui, gĕmĕt pisan diwintjik, hĕnteu aja nu kalarung, sami heran sadaja, ngadangu anu wawarti, dalah Krĕsna hĕnteu liren gogodĕgna.

Bima ngirab-ngirab sindjang, paparin ti Dewarutji, polong Bang~Bintulu tea, barina nembongkeun tjai, nu dina tjĕpuk alit, ka [ 112 ]saderek djeung ka ibu, sadaja sami bingah dumeh maksad Bima hasil, mudji sukur ka Gusti Nu Sipat Murah.

Sanggeus warĕg sosonoan, Bima ka kang ibu pamit, nja kitu ka para raka, sinarĕng ka para raji, kĕrsana angkat deui, ngabudjĕng ka Dorna Wiku, di depok Sokalima, sĕdjana mintonkeun tjai, bari bade „ngawarah” pandita jahat.

Hĕnteu ngantos widi heula, ka Sokalima ngagidig, kaget sugri nu ditilar, margi geus hĕnteu sak deui, nu di Astina nagri, upami sami ngadangu, jen Dorna dipĕrgasa, tangtos moal lĕpat deui, ka Bima teh sadajana ngaraponan.

Enggalna sadaja budal, Krĕsna sarĕng Sĕmiadji, kairing Drĕstadjumĕna, patih nagri Ipar Gusti, Ardjuna kitu deui, Nakula Sadewa katut, urang kotjapkeun Bima, ka Sokalima geus sumping, harita teh nudju karĕmpĕl sadaja.

Maha Prabu Sujudana, kĕrsa rurumpaheun sumping, Baladewa sarĕng Karna, Djajadrata kitu deui, Dursasana ge ngiring, Aswatama mah geus puguh, parĕng nudju barĕmpag, pasal nu milari tjai, dipastikeun Bima pupus di sagara. [ 113 ]Ajeuna mah longsong manah, asa geus punah kanjĕri, upami geus taja Bima, Pandawa leungit titindih, ngajonanana gampil, digĕmpur geus tangtos tumpur, sadaja sami bingah, mudji „kapinteran” rĕsi, Dorna atoh reh dipudji ku sadaja.

Nanging teu lami bingahna, kabudjĕng djol Bima sumping, sadaja kaget ngarendjag, komo ieu rada pangling, ku sindjang djeung parangi, aja bĕngis bari lungguh, Bima pok sasauran: „He arandjeun nu tjaralik, ulah kaget ieu kula Bima tea.

Nu ku maneh sarerea, ditipu diarah pati, dasar kami tanpa dosa, bĕt rahaju balik deui, malah djeung mawa tjai, tah ieu di djero tjupu.” Ladjĕng tjĕpuk dibuka, kaget sugri nu ningali, tingpolongo teu aja nu sasauran.

Lami pating olohokna, mung saena Maha Rĕsi, teu tĕtĕrasan kasima, Dorna ka Bima ngalahir, njĕmukeun bingah galih: „Haturan bagea tjunduk, paman bungah katjida, sarehing kang putra sumping, tur wiludjĕng boro mah paman teh mĕlang. [ 114 ]Sukur bagdja kamajangan, komo ieu njandak tjai, tjing tjobi paman ningalan, leuh euleuh handjakal teuing, djalaran ieu tjai, hĕnteu tulen nanging palsu, sanes tjai Pawitra, atuh sageuj sutji matih, da ieu mah tjihudjan kenging nandean.”

Bima nempas ka Pandita, bari pasĕmonna bĕngis: „Ieu teh tjai Pawitra, anu tulen sarta sutji paparin Dewarutji, ti ditu ti puseur laut!” Dorna teh kahaturan : „Ah asa piraku teuing, tĕpang sarĕng Dewarutji di sagara.

Bilih putra teu uninga, nu disĕbut Dewarutji, eta teh Sang Djagatnata, Batara Guru Pramesti, djadi asa mustahil, sinarĕng putra patĕpung, komo saur putra mah, dugi ka maparin tjai, ulah bohong bisi kasiku ku Dewa.

Ieu tjai teh ku paman, rek dipitjeun da teu asli.” Sarta tjĕpuk teh ditjandak dek dibahekeun ku rĕsi, mung aneh liwat saking, bĕt ana djlĕg teh di pajun, Dewarutji nembongan, barina ngarĕbut tjai, sarta bari sasauran ka pandita.

„Eh maneh pandita Dorna, maneh ka kami mo pangling, djeung kami nu matak [ 115 ]datangan sakadar djadi saksi, supaja kabeh jakin, jen ieu nu dina tjĕpuk, sidik tjai Pawitra, Bima nampana ti kami, djaba eta maneh teh mangka waspada.

Kami ka Bima ngidinan, ngagĕbug reudjeung ngagitik, njiksa ka djalma dursila, bongan maneh djail dĕngki, nadjan guru tur rĕsi, mun djahat misti dihukum.” Saparantos ngandika, Dewarutji ngilĕs deui, Bima rikat njandak tjĕpuk Tji~Pawitra.

Tĕras dileueut tjaina, raraosan asa salin, sapĕrtos radja pandita, anu baris pupus sutji, ku sampurnaning pati, mandjing ka sawarga agung, kotjapkeun deui Dorna, sangilĕsna Dĕwarutji, ladjĕng sudjud nawiskeun hormat ka Dewa.

Asmarandana

Barang Dorna tjĕngkat deui, Bima njaur ka pandita: „Paman pangapuntĕn bae, muga hĕnteu rĕngat manah, kula arek nanganan, rek ngahukum djalma hasud, djail ka tunggal manusa.”

Pandita reuwas ngadjĕrit, sasambat tulung~tulungan, ku Bima digusur bae, ditjandak ka [ 116 ]tĕmpat lĕga, barina ditjabokan, ditondjok bari ditumbuk. Dorna nĕpi ka lĕslĕsan.

Mun seug teu ninggang di rĕsi, nu pĕpĕk adjianana, kawasna moal teu maot, kotjap nu kĕmpĕl sadaja, pangpangna Aswatama, rabul ka Bima maruru, kĕrsana dek ngaraponan.

Saena bae djol sumping, Judistira ti Amarta, sinarĕng para saderek, Nakula tangginas rikat, mĕgatan Aswatama, duaan papukĕt gĕlut, tur sami-sami napsuna.

Drĕstadjumĕna papatih, amprok sarĕng Djajadrata, ari gok ari prung ragot, silih tondjok silih sepak, katjatur Dursasana, sarĕng Sadewa patĕpung, tur sanes pisan tandingna.

Dursasana ngalinggirik, djangkung ageung salirana, buringhas pasĕmon sewot, nanging ari Sadewa mah, djalantir salirana, mung tangginasna kalangkung, sing sarwa rikat lir kilat.

Lir gagak reudjeung srigunting, teu kalis ku eleh awak, srigunting njambĕr djeung matjok, gagak anu kawalahan, nja kitu Dursasana, sĕring ngudupung tisusut, bohak tuur bundas tarang. [ 117 ]Dipati Karna kawarti, patĕpang sarĕng Ardjuna, sasat „musuh ti bareto” [4], atuh teu pandjang patanja, sami mesat wangkingan, silih tĕwĕk silih suduk, sapantar manggih tandingna.

Sang Baladewa Narpati, teu ngiring mĕdal ka latar, malah mesĕm imut bae, nulak angkeng muntir rumbah, njaur ka Sujudana : „Tah kumaha ari kitu, saha nu kĕdah nanggĕlna.

Sanggĕm kakang oge geuning, kapĕngkĕr geus seseepan, wawadi hĕnteu diwaro, tah ajeuna kabuktian, djeung deui sanggĕm kakang, hĕnteu bade ngiring tjampur, kana hal ieu urusan.

Mangga beberes ku jaji, bongan nu kagungan pokal, nja ajeuna mangsabodo, ulah ngababantun kakang, kakang mah hĕnteu kirang, ngawawadian kapungkur, asana kirang kumaha.

Jaji teh djĕnĕng Narpati, agung teu aja kakirang, nanging manah jaji serong, nja ajeuna kenging wirang, pĕrbawa gawe tjurang, bongan manah lir kasarung, sirik ka djalma saurang.

Naon dosa Djudipati, ku jaji diarah njawa, dumeh eta keur bareto, jaji kawon silih gada.

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}} [ 118 ]neuteuli ka ajeuna, dulur misan bĕt disatru, jaji teh teu kira-kira.

Lain disambat diasih, supaja bageur ka urang, dilajeutan dipihade, diarah repeh-rapihna, dipalar bumelana, hade goreng ge djeung dulur, ulah tega ka baraja.

Kakang teu ngarti ku jaji, saumur teh ngan prasangka, ka batur sok njangka goreng, sapandjangna ngan tjuriga, timburu djeun rarempan, batur teu kieu teu kitu, ditĕrka arek ngarinah.

Prasangka kitu teh jaji, bibitna panjerewedan, nu hade ge djadi goreng, nu rek njaah djadi ngewa, rek bela djadi nukang, tungtungna ngagajuh musuh, tjing lĕbah mana ngeunahna?”

Sujudana tungkul isin, teu iasa sasauran, ajeuna sidik karaos, jen sakur panggawe ala, tara aja nu lana, awal ahir sok kabitur, isuk pageto katohjan.

Sabot kitu djol nu sumping, Krĕsna sarĕng Judistira, atuh wuwuh lingsĕm bae, komo ngadangu, Sri Krĕsna, seueur seueur saurna, jaktos ge leuleuj tur lĕmu, nanging njĕri ka raosna. [ 119 ]„Jaji Prabu Kurupati, kakang tĕbih~tĕbih dongkap, sapĕrkawis bangĕt sono, wireh geus lami teu tĕpang, dupi kaping kalihna, sarehing ngaraos paur, hariwang ku polah Bima.

Inggis bilih nguwak-ngawik, ngamuk di nagri Astina, mulangkeun kanjĕri hate, ku jaji oge kamanah, Bima teh moal sĕnang, wantu sina puput umur, dipĕrdaja sina tiwas.

Ajeuna tuh itu bukti, djadi ibur huru~hara, dupi nu djadi margi teh, salira djĕngraji pisan, margi manah sarakah, djadi ratu ngumbar napsu, djadi radja purah tjidra.

Narpati leungit pangadji, radja ilang komarana, upami manahna bengkok, parentahna hamo teurak, timbalan teu dajaan, pangagung surud pangaruh, upami ngarah~ngarinah.

Mun pangasuh nagri rudjit, nagara ge tangtu sangar, rajat retjok hamo repeh, silih arah djeung baturna, silih rĕbut pakaja, gudjrud di dieu di ditu, taja kakĕrtaanana.

Teu tjara apik nu ngaping, toweksa nu ngamongmongna, bĕrsih ati saleh hate, bebas tina [ 120 ]pangarahan, wungkul trěsna ka somah, nagara geus tangtu nandjung, aman kěrta tur rahardja.

Ninggang di salira jaji, djadi radja mung ngaranna, ka rajat mah masabodo, mung ngurus sěnang salira, hawěk ku kamuljaan, si Lěmbut hěnteu diurus, teu didjaga kasusahna.

Padahal jaji diaping, ku pangagung pirang~pirang, nanging lěpat milihna teh, ka nu maparin timbangan, ngagugu ka nu sasar, nu njěmukeun rěmpag rudjuk, padahal mah „kumawula”.

Wungkul mihapekeun peudjit, djeung nitipkeun kalungguhan, pikir budina mah kosong, nanging ka nu sahinasana, waleh nawiskeun njaah, jaji teh kalah sok běndu, ngaraos dihalang~halang.”

Saur rintih matak peurih, kětjap adab matak ngěntab, bangět isinna Sang Katong, raraj munggah sisiakan, ngutjur tjikaringětan, tumungkul dugi ka ngěluk, geus teu tjěngkat-tjěngkat atjan.

Mung Sang Prabu Sěmiadji, anu hěnteu sasauran, manahna bangdět hawatos, ka [ 121 ]kangraka Sujudana, diseuseul ku Sri Krěsna, sarěng ku Mandura Prabu, sanadjan jaktos lěpatna.

Dasar Prabu Sěmiadji, radja lautan hampura, komo ngemutkeun saderek, emutanana geus tjěkap, sěmět kawiwirangan, teu kědah ladjeng dihukum, hapuntěn bae dosana.

Judistira pok ngalahir: „Kakang Prabu Sujudana, bubuhan urang saderek, sanadjan mung ukur misan, nanging ari kuring mah, nganggap teh saderek estu, hěnteu mangmang hěnteu malang.

Kalěpatan raka Adji, agěng hěnteu kira-kira, margi ngahutangkeun maot, numutkeun hukum adil mah, sanadjan kakang radja, teu kenging hěnteu dihukum, samistina djalma djahat.

Margi kakang ngarah pati, Bima anu tanpa dosa, tur masih pěrnah saderek, kadjurung ku tekad djahat, turta děmit djalanna ditipu ku djalan lembut, sakongkol djeung paman Dorna.

Nanging sanadjan geus sidik, jen kakang tetela lěpat, kuring ngahampura bae, dumeh Bima ge waluja, didjaring ku Pangeran, hěnteu tulus puput umur, pěrbawa bersih hatena. [ 122 ]Kakang mangga bae mulih, di dieu ge ngadon wirang, mung samemeh djung mulih teh, anu tarung sapih heula, babakuna Ardjuna, sarěng Karna silih suduk, bilih aja anu tiwas."

Enggalna anu digurit, Krěsna miwah Baladewa, sarěng nilar Maha Katong, ngabudjeng Ardjuna Karna, Baladewa měgatan, ka Karna nu nudju napsu, bari ngarěbut wangkingan.

Lahir Baladewa adji: „Ulah waka luluasan, jaji ngabelaan naon, ulah mangmeunangkeun Dorna, pandita bělang bajah, wiku ge ratuning hasud, piraku rek dibelaan."

Krěsna mah měgatan raji, newak wangkingan Ardjuna, atuh kanděg nu tarung teh, duanana geus dipisah, pada měpěr napsuna, henteu laladjengan běndu, rapih deui sabiasa.

Dasar santa sadu budi, teuteureuh těrah kusumah, tanda jen prawira tulen, teu aja tapak-tapakna, jen tadi silih arah, ieu mesěm itu imut, gumudjeng patema tangan.

Dupi nu sanesna deui, teu kědah kantos di-pisah, margina liren ku maneh, Dursasana rikat ngědjat, teu kiat ku Sadewa, Djajadrata oge mabur, mung sanes dumeh teu kiat. [ 123 ]Ngemutkeun ka-teu-teu-ari, ngabelaan Rěsi Dorna. deungeun haseum djalma sedjen, lain dulur lain sanak, tur henteu kahutangan, asa hěnteu puguh-puguh, djadi měnding kumadinja.

Ngan Aswatama nu kari, kitu ge geus taja daja, ngadjěhdjěr tjara nu maot, ripuh ngalawan Nakula, gětih saluar awak, urut tisusut tikusruk, raraheut bohak barundas.

Matak watir Dorna Rěsi, hirup henteu hilang tatjan, ku Bima hantěm digěbot, ujuhan hěnteu pasiksak, awahing bantěr tapa, tjatjakan mun sanes wiku, moal hěteu paburantak.

Ardjuna djeung Sěmiadji, katut Nakula Sadewa, ka Bima sami ngarontok, ngarěbut salira Dorna, anu pinuh ku mokla, ku Ardjuna djung dipangku, ditjandak kana kareta.

Ladjěng njaur Sěmiadji: „Meugeus liren jaji Bima, naha bět kadalon-dalon, njiksa hěnteu kira-kira, asa ěnggeus meudjeuhna, ulah bět dugi ka pupus, sing emut ka saur Dewa."

Bima minděl teu ngalahir, ladjeng njampeurkeun Ardjuna, dina kareta kasondong, nudju nangisan pandita, tina bawaning trěsna, ngestona murid ka guru, tur Dorna ka Ardjuna mah. [ 124 ]Taja lěpatna saeutik, nu jaktos mah wungkul njaah, ¹) sasatna ngawowoj ngogo, nja kitu ka Judistira, Nakula djeung Sadewa, lima saderek ngariung, ngaluuhan Sang Pandita.

Njah beunta Dorna teh eling, Bima brěk děku tjakětna, bari njaur tur haroshos: „Paman ieu kula Bima, rek menta dihapura, dumeh nanganan ka guru, teu pindo gawe kula mah.

Ngan darma mětakeun adil, ngahukum soteh djahatna." Dorna ngadjawab harewos: „Hiděp dihampura pisan, paman tarima salah. muga agung tjukup lumur, paman menta dihampura."

Guru sinarěngan murid, geus sami silih hampura, itu-ieu punah kabeh, dasar sami prawirana, ladjěng Pandita Dorna, ku Bima těras dipangku, dialihkeun ka bumina.

Dipasrahkeun ka Karpini, nja eta garwa pandita, urang enggalkeun tjarios, Baladewa Sujudana, Karna djeung Aswatama, nu geus eling humaregung, ti Sokalima barudal.


[ 125 ]Saparantos sami pamit, sami mulih ka Astina, Judistira katjarios, miwah opat saderekna, mulihna ka Amarta, Prabu Krěsna oge kondur, geus mulih ka Meralaja.

Sakitu anu digurit, kirang sareng langkungna mah, něda hapuntěn nu maos, tamatna ieu rekaan, Saptu tabuh sabělas, Desember ping tudjuh likur, patpuluh hidji (1941) taunna.

TAMAT

[ 126 ]

DAPTAR NGARAN

Abiasa, pandita ejang Pandawa Darmaputra, Judistira
Amarta, nagara para Pandawa Darwati, nagara Krěsna
Andadawa, têgal hara-haraeun Dasarata, rama Kurawa
Ardjuna, Pandawa nomor tilu Dewabrata, Bisma
Ardjunawiwaha, buku karangan Kanwa Dewarutji, buku lalakon Bisma
Arjaprabu, saderek Basudewa Djagatnata, Batara Guru
Asmara, Dewa duriat Djajadrata, Kalana ~, Satria Sindu
Asmara Dahana, buku karangan Darmadja Djakapitana, Sujudana
Asti, karuhun Sujudana Djanaka, Ardjuna
Astina, nagara para Kurawa Dja(h)nawi, Ardjuna
Aswatama, putra Dorna Djudipati, Aria ~, Bima
Awangga, nagara Karna Dorangga, gunung tempat buta
Bagawan, Sang ~, pandita Dorna Dorna, pandita guru Kurawa + Pandawa
Baju, Dewa Angin Drĕstadjumĕna, patih Amarta
Bajuatmdja, Bima Drupadi, geureuha Judistira
Bajuninda, Bima Durjudana, Sujudana
Baladewa, radja Mandura Dursasana, saderek Sujudana
Banakĕling, nagara Djajadrata Dwaraka, nagara Krĕsna
Bandjardjumut, kadipaten Dursasana Gadjahwaja, Astina
Bang Bintulu Adji, sindjang Bima Ganda~Wastratmadja, Bima
Barata, luluhur Kurawa djg Pandawa Guru, Batara ~, Maha ~, Maha Dewa
Basudewa, rama Baladewa Indra, sĕsĕpuh para Dewa
Bima, Pandawa noměr dua Indratanaja, Ardjuna
Bimasutji, Buku Dewarutji-Bali Jamuna, walungan di India
Bisma, kapi ejang Kurawa djg Pandawa Judistira, radja Amarta
Burisrawa, putra Salja Kala, Batara ~, raksasa ka Dewan
Bratasena, Bima Karna, Adipati Awangga
Danandjaja, Ardjuna Karpini (Kĕrpini), geureuha Dorna
Darmadji, Judistira Kawi, basa di pulo Djawa baheula
Darmakusumah, Judistira Kiriti, Ardjuna
Kombajana, Dorna
[ 127 ]
Konica, Judistira Pantjala, nagara Drupada
Krěsna, radja Darwati Parta, Ardjuna
Kumbalwali, Ardjuna Pawanasuta, Bima
Kuntadi, Ardjuna Pawitra, tjai kahuripan
Kunti, ibu Judistira, Bima, Ardjuna Pinten, Nakula
Kuntibodja, rama Basudewa Rama, Batara ~ , Pangeran Ayodya
Kuntisuta, Ardjuna Rukmakala, Baju djadi buta
Kurawa, Sujudanan katut saderekna Rukmuka, Indra djadi buta
Kuru, karuhun Kurawa Sadewa, Pandawa bungsuna
Kurunata, Sujudana Sakuni, patih Astina
Kurupati, Sujudana Santanu, karuhun Kurawa djg Pandawa
Kusumadilaga, Bima Sĕmiadji, Judistira
Kusumajuda, Bima Sena, Bima
Lawanasagara, laut Hindia {?) Sindukalangan, Djajadrata
Madrim, Ibu Nakula ~ Sadewa Sokalina, depok Dorna
Madukara, Satria ~ , Ardjuna Sujudana, radja Astina
Mahabarata, buku karangan Abiasa Sumadilaga, Bima
Maharĕsi, Sang ~ , Dorna Subadra, garwa Ardjuna
Ma(n)dura, nagara Baladewa Suralaja, tĕmpat Dewa
Marutsuta, Bima Surjalaga, Ardjuna
Meralaja, dajeuh nagara Darwati Tabla~Kantjana, sindjang Bima
Mintaraga, rekaan Ardjunawiwaha Tangsen, Sadewa
Munggul~Pawĕnang, Satria ~ , Bima Tjindepura, Aria ~ , Dursasana
Nakula, Pandawa nomĕr opat Tjiptaning, Ardjuna
Nawarutji, buku Dewarutji di peuntas Tjitranggada, karuhun Pandawa/Kurawa
Nĕmburnawa, oraj naga Ugrasena, saderek Basudewa
Palguna, Ardjuna Uma, geureuha Batara Guru
Pamadi, Ardjuna Widjaja kusuma, kĕmbang kahuripan
Pandawa, Judistira djg saderekna Widura, kapi ejang Kurawa/Pandawa
Pandu, rama Pandawa Werkudara, Bima
Pandaatmadja, Bima Wiku, Sang ~ , Dorna
Pandusena, Judistira Wirata, nagara Matsyapati
Pandusuta, Ardjuna Wisnu, Dewa nu nitis ka Krĕsna
[ 128 ]

BUKU-BUKU KARANGAN, REKAAN

ATAWA SARUNGSUMAN

M. A. SAL MUN

KALUARAN BALAI PUSTAKA

Tjiung Wanara

Ekalaja Palastra

Mundinglaja

Goda Rantjana

Asmara Dahana

Mintaraga

Padalangan Di Pasundan

Dewarutji

Mahabarata

Gogoda Ka Nu Ngarora

Pantjawarna

Sisindiran

DJAWATAN PERLENGKAPAN DAN BANGUNAN

P. P. K. BAHAGIAN PENDJUALAN

DJALAN NUSANTARA 19 --- DJAKARTA


[ 129 ]

















No. 753 - '52

  1. Aos „Mahabarata", lebah „Pandawa Djadjaka", wëdalan Balai Pustaka.
  2. Kapěagkuhan Ardjuna, 205ě „Mintaraga", wědalan B. P.
  3. Pandjangna djudjutan. Bos Luluhur Pandawa" sareng ,,Pandawa Djadjaka“ dina „Mahabarata".
  4. Aos „Pandawa Djajaka” (Mahabarata).