Panggelar Boedi 1

Ti Wikipabukon
Panggelar Boedi 1  (1948) 
by W. Keizer, R. Satjadibrata
[ Sampul ]

1. Katampa ti Depôt tanggal 16-5-48
2. Mimiti dipake taoen sakola 19.../19...
3. Geus teu dipake tanggal ............

PANGGĚLAR BOEDI

KARANGAN

W. KEIZER

DJEUNG

R. SATJADIBRATA


DJILID KA I


DIGAMBARAN KOE
M. ELAND DJEUNG W. STAPEL-KEIZER


J. B. WOLTERS' UITGEVERSMAATSCHAPPIJ N.V.
GRONINGEN- BATAVIA - 1948

[ 3 ] Dina hidji poë wantji lohor Soetardja, Soemitra, Oemar djeung Oerip aroelin deukeut sakola. Doemadakan Soetardja tanggah, sabab ngadenge anoe ngoeng-ngoengan ti kadjaoehan, nja eta sora kapal oedara.

 Omong Soetardja: ,,Heh, aja kapal oedara. Tjoba tarendjo, toeh di beulah wetan."
 Soemitra, Oemar djeung Oerip, barang ngadenge among Soetardja kitoe, toeloej bae tingsorowok: ,,Kapal oedara! Kapal oedara!"

 Omong Oemar: ,,Koe loehoer, nja euj!"
 Soetardja njamboeng: ,,Djělěmana awaseun kitoe ka oerang ?"
 ,,Wah moal. Imah-imah djeung djalan-djalan oge moal katendjoeun."
 ,,Toeh ajeuna mah rada njirorot."
 ,,Sorana mani ngagěroeng."
 Soemitra: ,,Tarendjo toeh aksarana tembong dina djangdjangna ti handap, oenina: P.K.B.A.S."
 Oerip: ,,Hajang teh ka dieu njirorotna, soepaja oerang bisa awas pisan."
 Tjek Oemar: ,,Moal bisaeun toeroen kadjalan."
 Walon Soetardja: ,,Ah, bisaeun."
[ 4 ] Oemar: „Gĕde katjida, nja.”

 „Koemaha noe matak bisa njeboetkeun gĕde?”

 Waktoe baroedak njararitakeun kapal oedara, Soemadi, nja eta lantjeuk Soetardja, djeung babatoeranana daratang ka dinja. Soemadi teh moerid sakola mĕnĕngah di kota, teu djaoeh ti imahna, kakara kĕlas hidji; ari ka sakola sok toempak kareta mĕsin, balikna nja kitoe deui. Ti imahna ka sakola, lilana toempak kareta mĕsin tiloe parapat djam.

 Soemadi hajangeun njaho, naon anoe keur ditjaritakeun koe baroedak, pok bae manehna nanja: „Keur njararitakeun naon ieu teh, mani oeplĕk?”

 Walon Soetardja: „Ĕnja kang, tjek Oemar mah, kapal oedara teh moal bisaeun toeroen ka djalan. Teu ngandĕl koering mah.”

 Oemar : „Ongkoh djalan teh heureut, moal beunang dipake toeroen.”

 Oerip: „Soemadi mah meureun ĕnggeus nendjo kapal oedara ti kadeukeutan, nja?”

 Soemadi: „Poegoeh bae. Boelan toekang koering djeung batoer-batoer sakola, malah djeung goeroe sagala, njaba ka Andir, tĕgal pangapoengan deukeut kota Bandoeng.

Tĕgalna katjida pisan lĕgana, leuwih lĕga ti batan aloen-aloen. Nja di dinja tĕmpat ngapoeng djeung toeroenna kapal oedara. Di dinja aja adĕgan galĕde. Aja garaseu, minangka kandang kapal oedara. Gĕdena lawangna ge aja 30 metĕr mah.”

 Soemitra nanja: „Na meunang asoep ka dinja?”

 Walonna: „Poegoeh bae, sabab goeroe geus menta idin. Waktoe nĕpi kana garaseu, kabĕnĕran lawangna keur moeka, malah aja kapal oedara noe [ 5 ]

kaloear sarta ditaroempakan. Kaloearna gampang pisaa ngagorolong, sabab kapal oedara teh ti handapna make gilinding karet doea. Djeung ti hareupna make koletjer. Aja saoerang toekang ngadjalankeunana, geus oenggah. Koletjerna toeloej moentir, mimitina kěndor, beuki lila ngagoëngna beuki tarik.

 Sanggeus koletjerna ngagoëng, koering sabatoer-batoer dititah moendoer, oelah deukeut teuing ka dinja.

 Kapal oedara teh těroes bae ngagorolong. Teu koengsi lila poeng ngapoeng beuki loehoer-beuki loehoer. Baroedak soerak: Hoerse ngapoeng! Hoerse ngapoeng!

 Mimitina rada dengdek kawas manoek, geus kitoe kakara adjěg, toeloej ka loehoer ngoengkoelan tatangkalan. Sanggeus di loehoer toeloej njolojong tjěpět ka koelon. Beuki lila beuki djaoeh, beuki leutik něpi ka teu katembongna.”

 Soemitra nanja: „Rek ka mana tjěnah eta teh?”

 Walon Soemadi: „Rek ka Djakarta. Tjek noe ngaromong 3/4 djam ge bisa něpi ka Djakarta.”

 Tjek Soetardja: „Ari toempak kareta api ti Bandoeng ka Djakarta, lalakon sabaraha djam?” [ 6 ] Walon Soemadi: „Lamoen make kareta doer, doea djam kira-kira.”

 Omong Oemar: „Katjida kapal oedara mah gantjangna teh. Wani silaing toempak kapal oedara, Soetardja?”

 Walon Soetardja: „Ah, teu wani.”

 Tjek Oemar: „Dewek ge teu wani. Ngapoeng sakitoe loehoerna mah, sieun.”

 Soemadi njamboeng: „Dewek mah wani, nadjan leuwih loehoer oge. Ngapoeng loehoereun sagara, moal sieun.”

{{tab}Ditempas koe Oerip: „Naha kapal oedara teh sok hiběr loehoereun laoet?”

 Diwalon koe Ibrahim: „Tangtoe bae. Kapan kapal oedara teh sok dipake njaba ka Soematra, ka Borneo, ka Soelawěsi djeung ka poelo-poelo sedjen; malah aja nae ka Eropa nanaon.”

 Soekra nanja: „Bisa moeat sabaraha djělěma, kapal oedara teh?”

 Walon Ibrahim: „Kapal oedara noe leutik bisa moeat opat atawa lima djělěma, malah aja noe ngan saoerangeun pisan, nja eta piloetna atawa djoeroemoedina bae. Kapal oedara noe kitoe katjida leutikna. Dibandingkeun djeung kapal oedara noe dipake poelang-anting ti Soerabaja ka Djakarta ge, geus lain bandingkeuneun. Djaba ti eta aja deui kapal oedara anoe katjida gědena, bisa moeat djělěma doea poeloeh atawa opat likoer, nja eta kapal oedara noe sok hiběr poelang-anting ti Djakarta ka nagara Walanda.”

 Oemar gantjang nanja: „Ari ngadjalankeunana koemaha, kapal oedara teh?”

 Walonna: „Saroea bae djeung ngadjalankeun parahoe. Di toekangna aja kamoedi (a), paranti mengkolkeun ka kentja ka katoehoe, djeung aja deui kamoedi sedjen (b), paranti ngobahkeun ka loehoer djeung ka handap.”

 Soekra ngomong: „Ari pakansi dewek djeung bapa rek njaba ka Bandoeng. Lamoen bisa, rek ka lapang pangapoengan, hajang njaho.” [ 7 ]  Ti tadi Soekra teu miloe ngomong. Barang pok ngomong, pek beuteungna ditindjěl koe si Ibrahim bari seuri; toeloej si Ibrahim loentjat, běrěngběng loempat, ditoetoerkeun koe batoer-batoerna kabeh. Harita ge geus araja di těgal, maraen bal, lat bae parohoeun kana kapal oedara mah.

2.Sardjan asoep ka sakola sahakěl.


 Geus liwat poekoel hidji Sardjan balik ti sakola, babarěngan djeung Djajoes. Laleumpangna gagantjangan, sabab hajangeun geura něpi ka imahna, rek njarita ka bapana, njaritakeun kasaoeran goeroena. Isoek-isoek barang baroedak arasoep ka sakola, gantjang bae goeroena sasaoeran, jen poě Kěmis hareup aja oedjian pikeun asoep ka sakola sahakěl atawa sakola sedjen.

 Sardjan djeung Djajoes těroes bae ngingět-ngingět poě Kěmis, harajangeun miloe oedjian tea.

 Sadjěroning leumpang di djalan, pok Djajoes ngomong ka [ 8 ]Sardjan: ,,Peunteun silaing geus tangtoe aloes, Djan, geuning tadi itoengan silaing běněr kabeh."

Sardjan ngawalon :,,Silaing oge djěmpol, Joos. Basa dikte běněr kabeh, itoengan salahna saeutik pisan. Djajoes: ,,Arek toeloes ka sakola sahakěl teh, Djan?"

Sardjan: ,,Teu- njaho euj, tjek bapa mah rek diasoepkeun. Ari silaing koemaha ka sakola tehnik teh ? Djajoes: ,,Geus dirěmpoegan koe bapa mah.

Heuleut saminggoe eta boedak noe doea teh babarěngan baralik ti katjamatan. Papakeanana wareuteuh, pikarěsěpeun noe nendjo. Ari di katjamatan teh měntas mariloe eksaměn tea. Poě eta moerid-moerid ti sakola anoe aja [ 9 ]di sawĕwĕngkon eta, sakoer noe rek miloe eksamĕn, karoempoel di katjamatan.

Sardjan djeung Djajoes sadjalan-djalan sĕmoe noe baroengah pisan, sabab ngarasa mareunang peun teun aloes, djeung goeroena geus njaoerkeun, jen Sardjan geus tangtoe asoep ka sakola sahakĕl, da bapana geus ngaroedjoekan.

Tada teuing atoheunana kolot-kolotna, lamoen njahoeun, jen anakna mareunang peunteun aloes.

Barang nĕpi ka pengkolan, toeloej bae si Djajoes mengkol ka kentja, ari si Sardjan leumpangna beuki gantjang, sabab imahna djaoeh keneh, kira-kira lalakon saparapat djam deui. Imahna teh di kĕbon kopi, da bapana djadi mandor kĕbon kopi.

Pikir si Sardjan asa geus datang ka imah, sarta ngomong sadjĕroning hatena: „Geus datang kitoe bapa teh atawa tatjan?”

Barang nĕpi ka boeroean, panto imahna katendjo meundeut, tangtoe indoengna aja di pawon, toeloej si Sardjan ka pawon, pok ngomong bari imoet: „Eksamĕn teh meunang, ĕma, da saoer pa goeroe oge, koering meunang asoep ka sakola sahakĕl. Ari bapa di mana, ĕma?”

Indoeng si Sardjan boengaheun pisan, ngadenge omong anakna teh. Tapi barang diingĕt-ingĕt, lamoen si Sardjan geus sakola di dajeuh anoe sakitoe djaoehna, manehna ngahoelĕng bae, ngarasa mĕlang.

Sorena bapa si Sardjan geus datang mĕntas ngaronda. Indoeng si Sardjan pok nanja: „Bapa si Oedjang! Naha pĕrloe si Oedjang teh disakolakeun deui?”

Walonna: „Atoeh da leutik keneh si Oedjang teh disina digawe mah, mĕnding sina sakola deui, sangkan tambah kapintĕran. Ari pintĕr mah, digawe ge leuwih gĕde bajaranana. Baheula mah baroedak teh teu koedoe pintĕr, tapi ajeuna geus sedjen deui djamanna. Baroedak koedoe palintĕr djeung koedoe loba kanjaho.” [ 10 ]Indoeng si Sardjan: „Koemaha atoeh da mĕlang, ari djaoeh-djaoeh kitoe mah, heg bae koering gring, da ngan ingĕt ka anak bae.”

Tjek bapana: „Oelah salĕmpang, kapan pimatoeheunana si Oedjang teh di oeana, di kang Moesa. Pĕrkara eta geus dibadamikeun koe akang. Ari aja di oeana mah, oerang teh teu koedoe mĕlang.”

Indoengna: „Nadjan di oeana oge, da leutik keneh, nja mĕlang bae.”

Bapana: „Oenggal Saptoe pasosore si Oedjang balik ka imah, komo ari pakansi mah leuwih lila reureudjeunganana djeung oerang.”

Indoengna: „Teu naon-naon ari tjageur mah, tapi moen gĕring, koemaha?”

Walonna: „Oea awewena oge da njaaheun ka si Oedjang teh, tangtoe bae gĕring mah dipoelasara. Djeung lamoen pĕrloe, ĕma ge meunang ka dajeuh, da hĕnteu djaoeh kapan.”

Tadina mah kahajang indoengna teh, si Sardjan koedoe di imah bae. Tapi barang dirasa-rasa, bĕt leuwih hade noeroetkeun kahajang bapana tea.

Tjindĕkna bada lĕbaran, si Sardjan teh geus aja di dajeuh, djadi moerid di sakola sahakĕl. Saban Saptoe pasosore manehna balik ka lĕmboer, ari Sĕnen isoek-isoek kakara ka dajeuh deui, sakola. lnditna ti imah sok soeboeh-soeboeh, soepaja asoep sakola teu kabeurangan. Sakolana gĕtol pisan sarta geus ngarasa bĕtah di oeana teh. Ari keur rineh teu aja pagawean, manehna sok oelin djeung babatoeranana, radjeun oge sok maen bal djeung batoer sakolana noe sakĕlas. Mimindĕngna oelinna teh djeung si Djamin katoet si Amir, nja eta sobatna noe pangmĕdokna. Eta boedak anoe doea geus parĕng mareuting di imah Sardjan, waktoe Sardjan poĕ Saptoe ka lĕmboerna. Malah doeanana oge harajangeun sakali deui miloe djeung Sardjan, sabab tjĕnah di goenoeng mah hawana ngeunah. [ 11 ]Si Sardjan katoet sobatna noe doea babadamian, rek babarĕngan ka lĕmboer si Sardjan deui, sabab bakal aja pĕre doea poĕ, toeroeg-toeroeg bakal aja karamean di kĕbon kopi, malah tjek Sardjan, bakal aja tandingan maen bal, aja maen rĕboetan barang-barang di loehoer tangkal djambe djeung rea-rea deui.

Pasosore poĕ Salasa kira-kira poekoel opat, baroedak teh bring arindit ti dajeuh. Ngadeukeutkeun ka kĕbon kopi, kabĕnĕran bapa si Sardjan aja di djalan, pok ngomong ka baroedak: „Soekoer euj barisa ka dieu; aratoh meureun aja pakansi. Narendjo tadi di sisi djalan aja oeroet noear djambe? Ajeuna geus radjĕg tangkal djambe keur maen rĕboetan.”

Sardjan ngawalon: „Soemoehoen bapa, mani sababaraha tangkal. Kenging koering ngariring maen rĕboetan?”

Tjek bapana: „Poegoeh bae. Saha-saha anoe hajang, meunang miloe. Tapi oepama mariloe, sing ati-ati, soepaja meunang, nja!”

Toeloej bae baroedak teh gagantjangan ngadjoegdjoeg ka imah Sardjan.


3. Sardjan djeung sobat-sobatna laladjo.


Katjaritakeun isoekna, isoek-isoek Sardjan djeung sobat-sobatna geus haroedapg, toeloej ka pantjoeran, marandi.

Keur marandi, Djamin djeung Amir ngaromong bari hoentoena noroktok: „Adoeh tiris. Di dieu djeung di dajeuh katjida bedana teh.”

Sanggeus marandi toeloej darangdan sarta toeloej arindit ka djalan gĕde. Harita teh geus ngaleut djĕlĕma ka darinja, arek laladjo maen bal. [ 12 ] Omong Sardjan: „Moal salah, djĕlĕma-djĕlĕma teh arek laladjo maen bal.”

 Ditembalan koe Amir: „Kabĕnĕran oerang hĕnteu kabeurangan, djadi ĕngke bisa neangan tĕmpat noe ngeunah.”

 Teu koengsi lila Sardjan djeung sobat-sobatna geus nĕpi ka tĕgal tĕmpat maen bal.

 „Toeh di ditoe,” omong Sardjan, „oerang ngadeukeutan Gatot djeung Ibrahim.”

 Eta Gatot djeung Ibrahim imahna teu pati djaoeh ti imah Sardjan. Ajeuna koempoel djadi limaan. Limaanana laladjona deukeut tihang goel, ngarah awas ka saoerang-oerangna anoe maen bal. Noe laladjo geus ngagimboeng, meh kabeh lalaki bae. Baroedak pirang-pirang; boedak awewe ge aja, tapi teu loba.

 Gantjang bae djĕlĕma-djĕlĕma njĕdĕk ka hareup, njarahoeun, jen anoe rek maen bal geus daratang. Geus katembong, jen aja doea rombongan, sarombongna aja sawĕlas djĕlĕma. Djaba ti eta aja djoeroe-pamisahna djeung toekang ngadjaga watĕs.

 Barang noe rek maraen bal geus aja di djĕro kalang, gĕr noe laladjo soerak bari kĕprok rame pisan. Teu koengsi lila, soerilit geus ditioep, nandakeun arek mimiti maen.

 Gantjangna bal geus disepak, sakapeung ngagorolong, sakapeung ngapoeng ka loehoer, sakeudeung-keudeung ka kentja, toeloej ka katoehoe deui, pĕng ka hareup pĕng ka toekang. Oepama bal aja di wĕwĕngkon itoe, rikat anoe beulah ditoe ngadjaraga, bisi bal asoep kana goel. Ari bal ka dieu deui, djaga-goel noe beulah dieu geus edjegeler, sieuneun teu katahan koe babatoeranana. Katjida matak rĕsĕpna poerwarĕs tĕngah ti beulah ditoe, bawaning tarik ngoedag bal, nĕpi ka boeleud djiga bal. Mindĕng balna geus njĕdĕk ka beulah dieu, disepak koe noe ti dieu, bĕlĕwĕr ka ditoe deui, teu lila ka dieu deui, meh bae asoep kana goel, tina tarikna noe njepak. Tapi noe ti dieu oge teu koerang rikat, kabeh pada taki-taki, sieuneun eleh. [ 13 ]Meh bae Sardjan nyĕboet „goel”. Barang bal ka ditoedeui, manehna alohok bae, kageteun koe djaga-goel. (kipĕr) anoe sakitoe rikatna. Harita keneh balna geus bĕlĕwĕr deui ka beulah dieu, lĕmpĕng kana goel. Kipĕr ngadjroeg, kĕrĕwĕk

bal teh ditjĕkĕl koe doea leungeun, dialoengkeun djaoeh pisan, dioedag koe batoerna toeloej disepak, ngagorolong ngaliwatan garis tĕngah. Kabĕnĕran noe ti ditoe rada mĕleng. Noe ti dieu njepak bal patema-tema, nĕpi ka geus deukeut pisan kana goel itoe, kira-kira aja lima metĕr deui, bal disepak satarikna, mĕnĕr kana goel, ngan kaboeroe disepak [ 14 ]deui koe kipĕr satakĕr tanagana, pĕng bae bal teh ngapoeng moeloek pisan. Gĕr noe nongton saroerak djeung tingsaroeit tanda panoedjoe.

 Teu koengsi lila balna teh geus aja deui di beulah dieu. Awaskeun tandangna poerwarĕs tĕngah. Bisaeun kitoe ngagoelkeun? Geura itoe loempatna mani mĕlĕtĕng, balna teu bisa karĕboet koe moesoeh. Ari geus deukeut kana goel, kakara disepak tarik, bloes bae bal teh asoep, hĕnteu katewak koe kipĕr. Noe nongton mani ngagoeroeh njarĕboet: „Goel! Goel!” bari aja noe ngapoeng-ngapoeng kopeah sagala. Tah dina lĕbah dinja rĕrĕsĕpna laladjo maen bal teh.

 Hajang seuri koe polah Gatot, soerakna mani sosoak, oerat beuheungna mani ngarentĕng, nĕpi ka matak katorekan batoer. Ari Gatot teh awakna leutik tapi peureukeul.

 Deukeut ka dinja aja si Gentong, boedak gĕde sarta lintoeh. Ngadenge Gatot soesoerakan teh, si Gentong ngarasa djengkel, pok ngomong bari sĕmoe ngera-ngera: „Entong kitoe euj, da lain lantjeuk silaing noe ngagoelkeun teh. Engke rek soerak tarik mah, oepama silaing meunang dina pabĕdas-bĕdas narik tambang djeung dewek.”

 Ngadenge omong si Gentong kitoe, Gatot teu nembal, toeloej bae njingkah djaoeh.

 Maen bal teh lilana ngan sadjam, toeloej boebar. Baroedak mah rarĕsĕpeun keneh pisan, hararese rek baralik teh. Noe maraen balna oge, tjan pati tjarapeeun. Memeh boebar diembarkeun heula, beubeunanganana 5―4.

 Bari leumpang Ibrahim ngomong: „Ajeuna oerang laladjo maen rĕboetan, hajoe!” [ 15 ]

4. Sardjan djeung sobat-sobatna laladjo.

(Toeloejna).

 Pikeun maen rěboetan teh kabehna aja lima tihang. Oenggal tihang di loehoerna make awi diboenděrkeun kawas gilinding, nja eta noe digantoengan barang roepa-roepa, matak kabita noe ningal. Baroedak noe lima tea, nja eta Sardjan, Djamin, Amir, Gentong djeung Saleh harajangeun njoba naek.
 ,,Pek baroedak," tjek kapala maen rěboetan, ,,geura naraek, geura milih barang noe aloes. Sing ati-ati bae naraekna."

 Ari tihang-tihang tea beunang ngabaloeran gadjih, katjida pisan leueurna. Baroedak teh naraekna njorosod deui njorosod deui. Nangkod sakeudeung bari mitjeun gadjih noe kanděl, rangkek deui ka loehoer lalaoenan. Si Gentong naekan tihang noe těngah, geus sababaraha kali njorosod, tatjan bisaeun něpi ka poentjak. Lila-lila geus rada loehoer oge, kira-kira aja 2 měter deui ka poentjakna. Wantoening lintoeh tea, si Gentong beurat koe awak, teu bisa ngarangkek deui, toeloej bae njorosod něpi ka taneuh.
 Gatot mah mani ngěhkěj, nendjo si Gentong kitoe teh.
[ 16 ]Anoe pangheulana ka loehoer, Amir, malah geus bisaeun ngahontal lampoe sentĕr. Di loehoereun lampoe sentĕr aja karembong aloes, noe dipikabita pisan koe si Amir, ingĕteun ka indoengna. Barang rek ngarangkek, njorosod deui ka handap, tapi ngarandĕg di tĕngah, nangkod pageuh. Noe lalodjo tinggarĕro: „Ngarangkek deui ka loehoer! oelah waka toeroen!”

Maksakeun maneh Amir ngarangkek, beuki loehoer-beuki loehoer, nĕpi ka bisa ngahontal karembong tea, dikĕnjang lalaoenan sarta beunang. Geus kitoe kakara toeroen. Disoerakan koe noe nongton djeung dikĕprokan.

Sardjan oge geus meh n~pi ka loehoer pisan, geus meh bisa ngahontal naon-naon, tapi lapoer, sabab barang ngarangkek deui, oedjoeg-oedjoeg njorosod bae ka handap pisan. Ari geus nintjak taneuh, teu wanieun naek deui, pok bae manehna ngomong: „Tihangna ieu mah leueur teuing.” Ditembal koe Djamin: „Ah geuning teu njorosod dewek mah.”

Geus kitoe baroedak teh toeloej laladjo anoe keur pabĕdas-bĕdas narik tambang. Si Gentong hajangeun pisan geura nembongkeun kabĕdasan.

Si Gatot ge teu sieuneun, malah geus kĕk njĕkĕl tambang, gan hĕnteu nangtang bae. Toengtoeng tambang hidji deui dideukeutan koe si Gen tong bari ngomong: „Ĕngke Gatot! Silaing koedoe njĕloekan batoer heula doeaan. Meudjeuhna tiloe boedak pitandingeun dewek mah.”

Batoer Gatot aja doeaan, hĕnteu koengsi ditjĕloekan, gantjang bae njalampeurkeun ka Gatot, barang ngadarenge si Gentong „kokotak” teh. Sanggeus koek-kĕk njarĕkĕl tambang, pek bae pabĕdas-bĕdas. Boedak tiloe pada meakkeun tanaga, hajang ngelehkeun si Gentong. Tapi dasar si Gentong bĕdas, boedak tiloe teh kasered, nĕpi ka blag-bloeg lalaboeh. Si Gentong ngesang kana beungeut-beungeut, tapi sĕmoe boengaheun pisan. Pek bae njoesoetan kesang bari loeak-lieuk. [ 17 ]

 Sanggeus toetoep pabědas-bědas narik tambang, toeloej diganti koe tongtonan balap asoep kana tong kosong djeung pagantjang-gantjang naekan pagěr. Tongna geus disadiakeun lima, kabeh barolong, pongpokna geus dipitjeunan. Diteundeunna didjadjarkeun, soepaja gampang ngasoepanana. Boedak lima anoe kasěboet di loehoer rek miloe balap. Gatot awas, jen tong noe hidji leuwih leutik ti batan noe opat deui, toeloej diharewoskeun ka batoerna noe saoerang sarta toeloej diharewoskeun ka anoe doeaan deui. Kaběněran si Gentong mah rada djaoeh, teu njahoeun jen aja rasiah kitoe. Ngahadja teu dibedjaan koe babatoeranana. Noe opatan ngan pating-aringgoek bae bari seuri tingtjikikik.

 Gantjangna boedak lima teh geus ngabengbreng, narangtoeng noenggoe komando.

  „Awas!” tjarek komando teh, „hidji! doea! tiloe!” [ 18 ]Brĕng baroedak teh loempat. Si Gentong loempatna kĕndor, katinggaleun koe batoerna. Noe opatan geus arasoep kana tong, pagantjang-gantjang milih noe gĕde. Atoeh si Gentong kabagian tong noe pangleutikna, mangkaning awakna panggĕdena. Sirahna djeung leungeunna geus ka djĕro tong, kari awakna oegal-ogel hese asoep. Batoerna mah geus kalaloear deui, malah geus tĕroes laloempat, geus nĕpi ka pameunangan.

Si Gentong mĕlag dina tong, madjoe teu bisa, moendoer teu bisa. Anoe nongton sareuri agĕr-agĕran. Komo barang si Gentong nangtoeng mah, sarta tongna kabawa nangtoeng, beuki rame anoe njaleungseurikeun teh, nĕpi ka aja noe pipingkĕlan, atoeh da aneh, aja tong bisa leumpang. Gatot djeung tiloe batoerna njalampeurkeun ka si Gentong, naroeloengan. Kakara si Gentong bisa kaloear, katjida eraeunana, toeloej balik bari mĕsoem, hĕnteu kawas tas ngelehkeun boedak tiloe, basa narik tambang tea.

Ari dina poĕ Djoemaah isoek-isoek, Sardjan, Amir katoet Djamin baralik deui ka dajeuh, moeroe asoep ka sakola. Sĕmoe galoembira pisan, sabab sadjĕroning pĕre doea poĕ, meunang kasoekaan gĕde.


5. Hileud djeung koekoepoe.

Hoesen bapana djadi goeroe. Dina hidji poĕ Hoesen aja di toekangeun imahna, deukeut tangkal djĕroek, njĕkĕl kaleng oeroet biskoeit, toeroebna geus diboeka. Naha diboeka? Sieuneun biskoeitna awoet-awoetan? Lain, lain kitoe, da eta kaleng teh eusina lain biskoeit. Naon atoeh! Tjoba ilikan! Ih geuning .... daoen djĕroek.

Bari ngilikan daoen djroek, Hoesen ngomong djĕroning hate: „Ah, rek dibedjakeun ka bapa.” [ 19 ] Toeloej manehna ka imah, asoep ka kamar bapana. Bapana teh kasampak keur dioek dina korsi njanghareupan medja toelis. Ngareret ka Hoesen bari nanja: ,,Ngirim naon Sen ka bapa? Kabeuki bapa eta mah."

 Hoesen seuri bari ngomong: ,,Ieu kaleng teu aja biskoeitan. Bapa emoet keneh, minggoe poengkoer geuning ningalian tangkal djěroek pinoeh koe hileud. Abdi dipiwarang ngasoepkeun hileud kana ieu kaleng, těras oenggal dintěn diparaban daoen djěroek. Ari ajeuna hileudna teu aja."
[ 20 ] Bapana nanja: ,,Tara diboeka toeroebna?"

 Walon Hoesen: ,, Tara, Pa!"

 - ,,Paeh meureun, da teu bisaeun ngamběkan."

 ,,Sageuj, Pa, da kalengna diliangan koe pakoe."

 - ,,Moal kitoe laleupas mah? Malontjor kana liang?"

 ,,Ah moal tiasaeun, da liangna aralit."

 - ,,Tjoba ngilikan."

 Pek kaleng teh koe Hoesen disodorkeun ka bapana, toeloej koe bapana diboeka, daoen djroekna ditjokot bari pokna: ,,Tah geuning aja noe kieu!"

 Hoesen awas, jen dina tonggong daoen djěroek teh aja sato napěl, roepana beureun kolot. Dina daoen sedjen oge aja deui noe kitoe teh hidji.

 Tjek bapana: ,,Nja ieu, ieuh, hileud teh."

 Hoesen: ,,Naha geuning djadi kitoe!"

 Walon bapana: ,,Geus biasana kitoe. Mimitina njaratoena katjida pisan gěmboelna, lila-lila pět bae teu baranghakan, moentěl maneh koe ramatna, nja djadi kieu roepana. Ieu teh tjatjaka disěboetna. sawatara lilana tjaritjing bae kawas noe tapa, hěnteu obah-obah atjan."

 Hoesen: ,,Hěnteu paraeh eta teh, Pa?"

 Bapana: ,,Hěnteu. Ampihan deui bae, ajeuna mah geus teu koedoe diparaban. ěngke heuleut sawatara poě ilikan deui, geura hiroep keneh."

 Pek kaleng teh ditoeroeban deui koe Hoesen, sarta toeloej diampihan. Oenggal poě diilikan, tapi anggěr bae tjatjaka.

 Dina hidji poě, barang datang ti sakola, pek Hoesen moeka kalengna. Ari beh teh bět geus aja koekoepoe. Gantjang bae ditembongkeun ka bapana. Omongna: ,,Tingali, Pa, dina kaleng teh aja koekoepoe, loetjoe pisan. Djangdjangna rada leuleus keneh. Make kikiplik sagala. Bisaeun hiběr kitoe? Ti mana ieu teh. Pa?"
[ 21 ] Walonna: „Kapan tjatjaka tea, noe djadi koekoepoe teh.”

 Hoesen: „Ongkoh tjatjakana alit. Naha ari koekoepoena ageung teuing!”

 Bapana: „Poegoeh leutik tea mah. Tapi da teu salah deui nja tjatjaka noe leutik tea anoe djadi koekoepoe teh. Djangdjangna leuleus keneh, tapi lila-lila heuras djeung bisa meber pisan. ”  Indoeng Hoesen djeung adina, ngaran Itjah, njalampeurkeun, ngarilikan koekoepoe.

 Omong Itjah: „Koe aloes, koekoepoe teh, nja!”

 Teu koengsi lila pek koekoepoe teh kikiplik, toeloej hibĕr ka noe deukeut. Geus kitoe bĕr deui kana tangkal anoe handap, eunteup dina daoenna.

 Bapa Hoesen: „Lamoen Ĕntjen hajang njaho kana rasiah koekoepoe, tjoba njokot heula kĕrtas djeung potlotna.”

 Gantjang Hoesen njokot kĕrtas djeung potlotna, disanggakeun ka bapana.

 Tjek bapana: „Geura awaskeun, bapa rek ngagambar heula. Koekoepoe teh aja tiloe bagianana, nja eta hoeloena, awakna djeung beuteungna. Matana doea galĕde djeung koemisna doea parandjang, djeung aja toelalean.” [ 22 ] Omong Hoesen: „Toengtoeng toelalena mentjos kawas djaroem.”

 Ditembal koe bapana: „Eta toelale teh boengbas, paranti njeuseup madoe kěkěmbangan.”

 Harita teh Itjah mah těroes bae ngawaskeun koekoepoe noe eunteup tea.

 Bapana těroes ngomong: „Dina awakna aja soekoean djeung djangdjangan. Tjoba tanjakeun ka Itjah, sabaraha lobana djangdjang koekoepoe. Jah Itjah! njaho ta hěnteu?”

 Walon Itjah: „Doea, Pa.” Saěnjana manehna teh teu něngětan ěnja-ěnja, noe matak djawabna salah, da ari saěnjana mah djangdjang koekoepoe teh opat. Hoesen mah taliti pisan ngawas-ngawasna, djeung njahoeun, jen soekoe koekoepoe gěněp.

 Indoeng Hoesen njaritakeun, jen dina tangkal djěroek aja koekoepoe noe kawas kitoe, areunteup dina daoenna. Toeloej Hoesen ngadeukeutan tangkal djěroek noe dieunteupan koekoepoe tea, něpi ka haliběr deui koekoepoena. Pek manehna ngawas-ngawas daoen djěroekna. Bět aja noe ronjok barodas.

 Tjek bapa Hoesen: „Noe ronjok. teh ěndog koekoepoe. Kira-kira saminggoe deui tangtoe malěgar djadi hileud laleutik. Eta hileud toeloej ngaharakanan daoen djěroek, něpi ka rigil. Galědena tereh pisan, sabab katjida rampoesna hileud teh.”

 Indoeng Hoesen: „Dengekěun Itjah kasaoeran bapa. Itjah oge lamoen rampoes, geus tangtoe tereh gěde.” [ 23 ] Walon Itjah: „Ah teu beuki, daoen djěroek mah.”

 Indoeng-bapana djeung Hoesen oge sareuri.

 Bapa: „Sanggeus sawatara poë, sanggeus galěde, hileud teh mani měrěkětěngtěng koelitna, toeloej měgar, ganti koelit djeung bari ngagědean. Njaratoeanana teu eureun-eureun sarta těroes ngagědean, něpi ka tjoekoep gědena. Geus kitoe kakara eureun njatoeanana, toeloej robah djadi tjatjaka.”

 Toeloejna mah, Hoesen geus njaho. Omongna ka bapana: „Tjatjaka teh ěngkena djadi koekoepoe. Koekoepoe ngěndog, ěndogna toeloej měgar djadi hileud, noe djadi tjatjaka deui.”

 Itjah oge ajeuna mah geus ngartieun, malah toeloej diapalkeun: „Hileud—tjatjaka—koekoepoe—ěndog. Hileud—tjatjaka—koekoepoe—ěndog.”
Tjek indoengna: „Geus ajeuna mah, njaritakeun koekoepoe teh.”

6. Pagantjang-gantjang ngitoeng.

 Isoek-isoek barang baroedak arasoep ka kělasna, njampak soealan geus ditoelis dina bor, kabehna aja opat. Tjek noe saoerang: „Naha ngan opat soealan teh nja euj!” Anoe matak ngomong kitoe, lantaran biasana mah sok lima, malah gěněp, ari ajeuna ngan opat.

 Gantjang bae baroedak teh ngaloearkeun sabak djeung gěripna, rek ngaritoeng.

 Goeroena ngětrok medja, pok sasaoeran bari mesěm:

„Dengekeun heula, baroedak. Ajeuna ngitoeng pagantjang- gantjang.” [ 24 ] Noe saoerang naros kieu: „Pagantjang-gantjang koemaha?”

 Saoer goeroena: „Ěngke dewek ngĕtrok medja, nitah maraneh geura prak ngitoeng. Toelisanana sing tĕrang, sangkan gampang mariksana. Ari geus anggeus, gantjang sabakna bawa ka dieu, rek dipariksa. Anoe anggeus pangheulana toer bĕnĕr kabeh, meunang gandjaran. Tapi noe meunang gandjaran ngan boedak lalaki doea djeung boedak awewe doea. Noe sedjen mah hĕnteu meunang. Geus, oelah naranja deui.” Toeloej goeroe ngĕtrok medja: „Trok! trok!”

 Prak baroedak teh ngitoeng. Di kĕlas eta nĕpi ka djĕmpe, taja lian noe kadenge, kadjaba sora grip kana sabak, tingkalĕtrek djeung tinggarĕret. Goeroena ngadĕg ngawaskeun, bisi aja moerid noe noeroen atawa anoe haharewosan. Teu koengsi lila geus aja sawatara boedak noe ngamimitian ngitoeng soealan nomĕr opat.

 Gani njorowok: „Abdi parantos,” bari gantjang sabakna disanggakeun ka goeroena, pek ditingalian. Geus kitoe dina sabak teh goeroe njĕrat angka 1 koe kapoer.

 Sorowok deui Ardi: „Abdi oge parantos.” Pek deui sabakna ditingalian koe goeroena, sarta njĕrat angka 2.

 Aja doea boedak awewe, ngaran Soeparni djeung Patmah, aranggeusna ngitoeng barĕng.

 Tjek si Kosim: „Abdi mah saeutik deui. Ah moal diparantoskeun, da moal kenging gandjaran.”

 Saoer goeroena: „Tatjan tangtoe, biheung teuing itoengan si Gani djeung si Ardi aja noe salah.”

 Kosim: „Mangga atoeh, bade ditĕraskeun bae.” Goera-giroe manehna nĕroeskeun ngitoeng.

 Sanggeus kabeh baroedak anggeus ngitoengna, kakara sabakna dipariksa hidji-hidji koe goeroena. Mimiti sabak Gani, geus kitoe sabak Ardi, sabak Soeparni djeung sabak Patmah. Boedak opat geus ratoeg bae hatena, sieuneun itoenganana aja noe salah.

 Sanggeus mariksa sabak noe opat, pok goeroena sasaoeran: [ 25 ]„Balěněr kabeh euj. Djadi maraneh opatan noe bakal meunang gandjaran.”

 Soeparni ngaharewos rada bědas: „Naon gandjaranana, nja Ěmpat?”

 Goeroena angkat kana lomari, njandak djěroek paseh, manggoe djeung wadah kěmbang noe make kěmbang ros doea, hidji beureum, hidji bodas; sok diteundeun didjadjarkeun dina medja, bari saoerna: „Ieu kěmbang ros djadi gandjaran boedak awewe, hidji sewang; djěroek djeung manggoe bagian boedak lalaki. Lain kitoe, Gani?”

 „Soemoehoen,” walon Gani, bari měntjrong kana djěroek djeung manggoena dina medja. Gani tangtoe meunang djěroek, noe bakal didahar ěngke di loear, waktoe ngaso.

 Goeroena njaoer boedak awewe noe ngaran Epon, saoerna:„Ka dieu Epon, nangtoeng di hareup, tapi koedoe noekang kana ieu medja. Ěngke bapa noendjoekan ieu gandjaran. Koe Epon koedoe disěboet bagian saha, tapi teu meunang ngalieuk kana medja. Kaharti?”

[ 26 ]Sanggeus Epon nangtoeng noekangan medja toer rada djaoeh, pek goeroena noendjoek kana ĕros bodas bari sasaoeran: „Sĕboetkeun Epon, bagian saha ieu teh?”

Wangsoel Epon: „Bagian poen Soeparni.”

Tangtoe pisan ĕros beureum bagian Patmah.

Goeroe sasaoeran deui bari noendjoek kana manggoe, saoerna: „Ari ieu bagian saha, Epon?”

„Bagian poen Gani,” tjek Epon.

Saha anoe meunang djĕroek? Tangtoe bae si Ardi mah.


7. Pagantjang-gantjang ngitoeng.

(Toeloejna).

Katjida atoheunana, si Ardi meunang djĕroek teh, toeroeg-toeroeg djiga djĕroek amis pisan. Tapi barang top ditjokot, bĕt hampang pisan djĕroek teh; horeng lain djĕroek ĕnjaan. Njeh bae manehna seuri bari mĕntjrong ka goeroena.

Gani ge geus njangka bae, jen manggoena manggoe tironan, nadjan katendjona djiga manggoe toelen oge, bangoenna djeung roepana njples manggoe. Top koe manehna ditjokot, tetela hampang.

Kĕmbang ros nja kitoe deui. Ditendjo saliwat mah, moal aja noe njangka titironan. Tapi ari ditĕngĕtan diawas-awas, tetela kĕmbang ros palsoe.

Goeroe mariksa ka Ardi bari mesĕm: „Koemaha Di, djĕroek teh rek didahar?”

Ardi ngarti, jen goeroena ngabanjolan. Ngawalonna oge banjol bari imoet, pokna: „Kantĕnan, nanging ĕngke di rorompok, soepados oelah aja noe njoro.”

„Oelah kitoe” saoer goeroe, „ari boga rĕdjĕki teh koedoe daek mere ka batoer.”

Soeparni rada panasaraneun, minangka njidikkeunana, [ 27 ]kieu pokna bari neuteup ka goeroena: „Ieu mah anoe abdi kĕmbang ros toelen.”

Baroedak loba noe kaget, ngadenge Soeparni ngomong kitoe teh.

Koe goeroena ditĕrangkeun, jen kabeh ge barang tironan. Lilin noe didjieun ĕros, manggoe djeung djroek teh. Ngan nironna katjida bisana.”

Tjek Soeparni: „Pangintĕn teh ĕros jaktos.”

Ditempas koe Ardi: „Oepama teu hampang mah, moal njangka djĕroek palsoe.”

Ari Gani tadina mah rada handjakaleun meunang manggoe, teu meunang djĕroek. Tapi sanggeus kanjahoan, jen tironan, manehna ngan seuri bae.

Saoer goeroena: „Mĕnding tironan nja euj, soepaja beunang disimpĕn lila.”

„Nanging,” tjek Ardi, „hĕnteu kenging kapanasan.”

Waktoe ngaso, sanggeus baroedak aja di loear, ngagimboeng sarta ngagoeroeh, ngarilikan eta barang-barang aneh.

Boedak anoe ngaran Hoesen, ngomong kieu: „Bĕnĕr pintĕr anoe niron teh. Geura eta koelit djĕroek make baroentoes sagala, kawas djroek saĕnjana. Beunang dipake nipoe, ieu mah.”

Kabĕnĕran goeroena ge harita aja di loear, teu djaoeh ti baroedak. Barang andjeunna ngadangoe omongan Hoesen kitoe, pek andjeunna njampeurkeun ka baroedak bari sasaoeran: „Koemaha djĕlĕmana euj. Noe pintĕr mah moal katipoe. Geura ĕngke dewek rek dongeng di djĕro sakola. Eta dongeng nĕrangkeun kapintĕran djĕlĕma, pikeun ngabedakeun barang palsoe djeung barang saĕnjana, noe katjida saroeana katendjona koe oenggal djĕlĕma oge.”

Barang dilotjengan, tanda waktoe koedoe asoep, baroedak teh gantjang baris toeloej asoep boeroe-boeroe, darioek pagantjang-gantjang sabangkoena-sabangkoena. [ 28 ]Kabeh oge baroedok teh rarĕsĕpeun ngadengekeun dongeng goeroe, malah sok sarĕgěp pisan ngabandoenganana, sabab radjeun anoe didongengkeun tea, ĕngkena koedoe dikarang koe baroedak atawa didongengkeun deui koe saoerang-saoerang, bari nangtoeng hareupeun bor.

Sanggeus baroedak beres dioekna sarta djěmpe, kakara goeroe ngadongeng, kieu saoerna: „Djaman baheula aja hidji radja anoe mashoer sabar adil palamarta. Nagarana kĕrta rahardja, kaïmpoengan koe djělěma ti mana-mana. Djaba Sang Praboe koe andjeun, anoe sok sĕring ngaroris ka kampoeng-kampoeng nitenan abdi-abdi, aja deui noe djadi kapěrtjantěnanana, ponggawana anoe pintěr toer satia. Babakoena baroedak ngora koe Sang Radja sĕring pisan diinsapkeun, sangkan daraek nambahan kapintěran dina sagala lapangan. Oepama aja oedjian, radjeun oge diloe'oehan koe Sang Radja, hojongeun ningali baroedak pintĕr.

Ari dina hidji poë Sang Radja ngadangoe wartos, jen aja hidji djadjaka pintěr. Ditanja naon-naon teh, sok bisaeun bae ngadjawab.

Dina panggalih Sang Radja, lamoen aja anoe sakitoe pintěrna, koe andjeunna bakal didjěněngkeun patih. Enggal bae djadjaka anoe mashoer pintěr teh ditimbalan ngadeuheusan ka karaton. Teu koengsi lila geus datang. Ditingali koe Sang Radja, djadjaka teh hade pisan tatakramana, njaho koemaha pantěsna anoe ngadeuheus ka Radja. Roepi-roepi Sang Radja pamariksana, malah aja pěrkara noe moeskil-moeskil, kabeh kadjawab, toer djawabanana běněr.

Kotjap dina hidji poë pasosore Sang Radja teh noedjoe linggih dina korsi, papajoen-pajoen sinarĕng Sang Prameswari, njarioskeun djadjaka noe pintěr tea. „Běněr pinter.” dawoehan Sang Radja teh, „ditanja naon-naon ge, kadjawab bae. Aja soeäl anoe katjida hesena, noe dikira moal kadjawab, tapi teu boeroeng kadjawab koe manehna. Pantěs pisan, lamoen didjěněngkeun patih teh.” [ 29 ]Diwalon koe Prameswari: „Oepami kitoe mah, manawi jaktos pintěr. Nanging abdi hajang njobi, sakoemaha pintěrna teh. Aja sahidji pěrkawis anoe teu kintĕn sěsahna. Koe emoetan, eta djadjaka moal měndak piakaleunana.”

Sang Radja mesĕm bari ngadawoeh: „Tjoba bae, isoek oerang saoer deui.”

Isoekna djadjaka tea geus djol deui ka karaton, němonan panjaoer. Kangdjěng Radja kasondong noedjoe linggih majoenan medja, sarta dina eta medja aja wadah kěmbang ĕmas toer dieusian kĕmbang anoe katjida loetjoena. Teu koengsi lila djol soemping Sang Prameswari ti lěbět; memeh linggih, andjeunna teh ningali ka djadjaka bari ngandika: „Awaskeun ieu kĕmbang anoe sakieu loetjoena. Tangtoe tjek ieu-ieu ge, ieu teh kabeh kĕmbang sadjati. Padahal saĕnjana mah kěmbang sadjatina ngan hidji, noe loba mah palsoe bae. Lamoen bisa, tjik toedoehkeun, noe mana kĕmbang sadjati.”

Tjong djadjaka teh njěmbah, lalaoenan ngadeukeutan kana kěmbang, bari hantĕm ditilik ditělěk-tělěk, soesoeganan aja tjirina. Tapi wěleh teu katjiri. Teu aja pisan bedana kĕmbang sadjati djeung tironan teh. Pok manehna oendjoekan: „Abdi dalĕm hĕnteu tiasa njĕbatkeun, noe mana kĕmbang tironan, margi hěnteu pisan-pisan aja tjirina. Ajeuna abdi dalĕm sědja njoehoenkeun sarantos. Manawi kawidian, kĕmbangna bade dibantoen ka rorompok, bade dipikiran heula sawatawis dintěn.”

„Hade,” dawoehan Sang Radja, „saoepama geus kapikir, koedoe gantjang ngadeuheus deui ka dieu.”

Tjong djadjaka teh njěmbah, kěk njěkěl wadah kĕmbang, dibawa ka loear katoet kĕmbangna. Kaběněran di loear aja koekoepoe. Kěkělěpěran koekoepoe teh rada sieuneun, rek eunteup kana kěmbang. Sok atoeh wadah kembang teh djeung kembangna koe djadjaka diteundeun dina tembok. Gantjang koekoepoe teh eunteup kana kěmbang noe aja [ 30 ]madoean. Tangtoe eta kĕmbang noe sadjati tea, da ari kĕmbang palsoe mah moal madoean, moal kaambeu nanaon koe koekoepoe.

 Djadjaka teh teu toeloes balik, gantjang bae mĕdĕkan ka Prameswari, noedoehkeun kĕmbang sadjati, nja eta anoe bieu dieunteupan koekoepoe tea.

 „Toeh geuning,” saoer goeroena, „ari djĕlĕma pintĕr mah hĕnteu katipoe. Nadjan kĕmbang tironan tea saroea pisan djeun, kĕmbang noe sadjati, eta djadjaka teu beeroeng njaho bedana, sabab njahoeun kana rasiah koekoepoe.”

8. Watĕk gĕmi, matak djadi
kasĕnangan.

 Si Amin djadi soepir. Oenggal isoek sak ka dajeuh ngadjadjapkeun djoeraganana ka kantor. Oepama joeraganana rek angkat-angkatan djaoeh, manehna sok hidĕng njadiakeun naon noe pĕrloe, nja eta sok ngabensinan mobilna satjoekoepna, malah radjeun mĕkĕl minjak nĕpi ka sablek, sangkan mobilna oelah mogok di tĕngah djalan, lantaran koerang bensin atawa koerang minjak.

 Salawasna mobilna bĕrsih toer herang. Ngompa banna tara teuas-teuas teuing. Ngosokanana tara bĕdas-bĕdas, soepaja tjetna teu goegoes. Bantalna bĕrsih, hĕnteu pinoeh koe kĕkĕboel. Koe tina hade pamiarana, mobilna teh djiga anjar keneh bae, sanadjan geus lila oge dipakena. [ 31 ] Saminggoe sakali Amin sok hoedang soeboeh-soeboeh, mariksa mobil; babagianana dikosok djeung diminjakan, oepama pěrloe; ěrem-ěremna djeung saniskarana bae diilikan ditengětan, bisi roeksak atawa robah tjitjingna. Oepama doenoenganana rek angkat poekoel 8 isoek, mobilna geus beres deui, geus běrěsih sarta gilap, ngan kari indit.

 Lantaran Amin sakitoe saregěpna, atoeh kagaleuh katjida koe doenoenganana teh, něpi ka bajaranana ditaekkeun. Harita Amin oendjoekan: „Hatoer noehoen, gamparan kěrsa naekkeun bajaran abdi.” Dina hatena hajangeun ngomong kieu: „Oepami kieu, abdi mah salamina ge bade ngiring gamparan bae djadi soepir, moal gěntos doenoengan, moal gentos pagawean.”

 Oenggal narima ajaran koe Amin sok didjeudjeuhkeun, soepah aja sesana. Salawasna tara poho kana papatah bapana: „Ari boga rédjěki teh saeutik koedoe mahi, loba koedbe njasa.” Toeroe-toeroeg manehna teh radjeun oge memang pěrěsen ti tatamoe doenoenganana, noe didjadjakeun koe mobil. Ko sabab eta atoeh saeutik-eutikeun bisa oge manehna teh jengtjelengan di sěparbang. Geus sawatara lilana manehra njengtjelengan, pek ngilikan boekoena. Djoemlah tjer telenganana geus aja /300.

 Barang Amin ge sawatara taoen djadina soepir, dina hidji poë doenioganana njaoer bari sasaoeran kieu: „Dengekeun Amin tjarita dewek. Sawatara boelan deui dewek rek njaba ka nagara djaoeh toer lila, djadi kapaksa koedoe papisah djeung silaing. Dimana ěngke geus tangtoe piinditeun, dewek rek njieun soerat katrangan keur silaing, něrangkeun jen geus sakitoe lilana djadi soepir dewek, toer hade gawe. Babakoena maksoedna eta soerat teh, nja eta lamoen silaing neangan pagawean, tangtoe aja noe hajang njaho, geus digawe di saha djeung koemaha katjakěpan silaing. Djadi lamoen eta soerat ditembongkeun, bisa djadi silaing gampang meunang deui pagawean.”
[ 32 ] Si Amin mělěngěk bae, ngadengekeun doenoenganana sasaoeran teh. Da kapan manehna teh teu hajangeun digawe di noe sedjen, wantoening doenoenganana sakitoe njaaheunana ka manehna.

 Heuleut saboelan doen oengan ana mariksa kieu: „Koemaha Amin geus mikir-mikir, rek neangan pagawean teh? Oepama tatjan manggih pidoenoenganeun, dewek boga batoer sagawe, noe sakira pinjaaheun ka silaing. Lamoen aja di andjeunna mah, dewek moal mělang teuing, ninggalkeun silaing teh.”

 Walon Amin: „Kalintang abdi noehoenna kana tjitěrěs gamparan, kersa ngamanahan pikasenanganeun abdi. Nanging moegi teu djadi běndoe, sajaktosna abdi teu aja emoetan ngawoela ka noe sanes.”

 Doenoenganana: „Koemaha atoeh? Rek njabak gawe naon?”

 Walonna: „Maksad abdi teh kieu, gamparan: Di dinja tjakět pengkolan aja gědong kosong anoe ngagigirkeun goedang. Oepami sewaanana teu awis teuing, eta gědong bade disewa koe abdi. Goedangna bade didaměl bengkel, těmpat ngadangdosan kareta měsin sareng mobil. Pakakasna bade meser. Oepami parantos sajagi, němbe diboeka bengkel teh. Malah oepami tjěkap modalma, hajang bari dagang bensin sarěng lisah motor, kitoe deui ban kareta měsin sarěng ban mobil.”

 Doenoenganana: „Beu atoeh ari kitoe mah, koedoe boga modal gěde, keur njewa gědong djeung keur meulian pakakas. Koemaha kira-kirana, tjengtjelengan silaing geus tjoekoep pikeun modal?”

 Walonna: „Moal tjěkap manawi tjengtjelengan mah. Noe mawi aja emoetan bade ngilari artos heula, manawi aja noe pěrtjantěneun.”

 Doenoenganana: „Rek ka saha, ngindjeum doeit teh?”

 Walonna: „Sajaktosna pěrkawis eta noedjoe diemoet-emoet keneh. Doeka bade namboet ka bang, doeka ka saha.” [ 33 ]

 Doenoenganana: „Hade kitoe ge. Tapi aja djalan sedjen, noe leuwih enteng. Ke dagoan!”

 Sanggeus sasaoeran kitoe, toeloej doenoenganana teh angkat heula kana medja, tret njěrat sakeudeung dina kěrtas salambar leutik. Eta kěrtas dipaparinkeun ka Amin bari sasaoeran kieu: „Djěněngan batoer sagawe dewek tea djeung adresna geus ditoelis dina ieu kěrtas. Ěngke silaing meunang ngadeuheusan ka andjeunna, namboet doeit, geus tangtoe dipaparin, da dewek rek nitipkeun docit ka andjeunna.”

 Eta kěrtas ditampanan koe si Amin, toeloej disělapkeun kana notěsna, noe geus disělapan rebèwes, sarta minděng manehna njatětkeun naon-naon dina notěs teh. Geus kitoe pok manehna oendjoekan, pokna: „Hatoer noehoen kana saniskantěn piwělas gamparan. Oepami parantos dongkap kana waktosna kědah namboet artos tea, tangtos abdi ngadeuheusan ka mitra gamparan.”

 Katjarita sanggeus tangtoe pidjěngkareunana, doenoengan

KEIZER, Penggelar Boedi, I (Soenda) [ 34 ]Amin teh lelang. Korsi, medja djeung paparabotan sedjen, malah djeung mobil-mobilna dilelangkeun. Sadjěngkarna doenoenganana, toeloej Amin njewa gědong djeung goedangna, noe kasěboet di loehoer tadi, rek něroeskeun tjita-tjitana. Teu koengsi lila saniskara kapěrloean keur digawe geus sadia. Doeitna anoe dipake meuli pakakas djeung saniskara tea, tjengtjelenganana bae, ditjoekoepkeun sapěrloena, teu ditambahan koe doeit beunang ngindjeum.

 Di hareupeun eta gědong, Amin masang bor, noe merěkna dialoes-aloes, oenina sakoemaha toelisan di handap ieu:

Disini terima pekerdjaan

membetoelkan

keroes akan mobil dan sepèda.

Djoega djoeal

minjak motor dan minjak kardan.


9. Watěk gěmi, matak djadi kasěnangan.

(Toeloejna).

 Pangharěpan Amin tiněkanan. Teu sabaraha lilana geus pada njaho kana eta paoesahaan. Geus loba anoe daratang ngahadean kareta měsin, aja noe ngomean djari-djarina, aja anoe nambal banna, boh ban loear boh ban djěro; aja oge anoe meuli ban weuteuh. Anoe pangrarisna bensin; sakapeung něpi ka ngaleut mobil, toeloej areureun, ngadon ngareusian bensin.

 Lolobana soepir mobil leuwih rěsěpeun mareuli bensin [ 35 ]ti Amin batan ti batoer, sabab Amin basa djadi soepir keneh, loba pisan sobat-sobatna. Djeung eta deuih, noe matak loba anoe resép teh, ngabatikeunana Amin mah teu gěde teuing djeung tara ngalitjikan.

 Ari dina hidji poë, waktoe Amin moeka notěsna, rek njatětkeun kaloear-asoepna doeit, beh manehna manggih kěrtas ngarangkěp djeung reběwes. Ari dibatja, bět kěrtas paparin doenoenganana tea, noe ditoelisan djěněngan mitra doenoenganana. Sanggeus njatětkeun kaloear-asoepna doeit, Amin aja pikiran kieu: „Matak naon, lamoen aing njoehoenkeun toeloeng? Ah, rek njoba ka boemi mitra doenoengan aing, rek ngaboektikeun kasaoeran doen oengan aing.”

 Gantjang Amin ka loear ti imahna, ngadjoegdjoeg ka boemi mitra doenoenganana tea. Kaběněran noe kagoengan boemi teh kasondong keur tjalik di emper pajoen. Barang ret ge ningali Amin, enggal bae andjeunna miwarang dioek, toeloej mariksa: „Bedjana mah Amin moeka bengkel mobil. Koemaha madjoe? Loba djělěma anoe daratang, ngaharadean mobil atawa kareta měsin? Boa datang ka dieu teh boetoeh koe doeit, pikeun ngagědean modal. Ěnja kitoe?”

 Walon Amin: „Sanes, gamparan. Poerwa abdi doemeuheus teh, sanes bade namboet artos, nanging gadoeh maksad sanes.” Barabat ditjaritakeun, jen manehna hajang boga teng bensin noe make kompa.

 Saoer noe kagoengan boemi: „Oelah salěmpang euj. Ěngke koe dewek dipangngoeroeskeun. Malah kadjaba ti kitoe, ěngke kantja-kantja dewek rek dibedjaan, soepaja ngabantoe paoesahaan silaing, nja eta koe meuli bensin atawa minjak motor djeung roepa-roepa kapěrloean anoe sedjen.”

 Amin ato heun katjida. Pok manehna nganoehoenkeun, toeloej bae amit wangsoel. Koe tina atoh-atohna, peutingna manehna ngimpi. Dina impianana teh, di hareupeun bengkelna geus aja teng bensin anoe katjida aloesna. Geus kitoe leugeudeut mobil ngadon areureun di dinja, mareuli bensin [ 36 ]djeung minjak motor. Barang lilir, manehna teh seuri koneng, ngadenge mobil anoe ngaliwat di djalan. Horeng eta noe djadi impian teh, malah lain impian ěnja, noe kitoe mah riwan ngaranna.

Teu sabaraha lilana, noe sakitoe dipikahajangna teh koe Amin, geus boekti. Di hareupeun bengkelna geus aja teng

bensin,sarta loba noe meuli bensin djeung minjak motor. Noe meuli ban mobil oge hěnteu koerang, soemawonna anoe ngahadean mobil djeung ngahadean kareta měsin mah meh teu aja eureunna.

Oesahana Amin katjida gětolna, katambah gěmi, bisa ngadjeudjeuhkeun pakeun. Bisa njieun pikarěsěpeun djělěma, hade boedi hěnteu toengi, make sok banjol nanaon. Baroedak sakola oge loba anoe geus ngalanggan ngomean kareta měsin, malah loba noe geus njobat, babakoena sabab sok meunang ngompa ban, teu koedoe majar. [ 37 ]

10. Sobat sadjati.

 Kira-kira lalakon saparapat djam djaoehna ti desa Karang aja pasawahan lěga; noe bogana nja oerang Karang.

 Katjarita geus mimiti moesim ngidjih. Djělěma-djělěma geus ka sarawah, mimiti njamboet. Sawareh ngawaladjar, sawareh matjoel atawa magawe, aja oge noe geus sěbar, malah aja noe geus tandoer.

 Beulah ditoena, djaoeh ti djalan liliwatan, sisi sawah aja těgal pangangonan anoe katjida legana, sarta beh ditoena pisan těgalan teh njamboeng djeung raramboe leuweung. Sabagian tina eta těgal dikěbonan koe bapa si Idi.

 Kabeh oge oerang Karang katjida těměn wěkělna, anoe matak teu koerang sandang-panganna. Oenggal tas panen, parena dibagi-bagi, dipisahkeun pibiniheun, toeloej njadiakeun dahareun satjoekoepna sataoeneun. Saleuwihna sok didjoeal, keur mareuli papakean djeung keur kapěrloean sedjen.

 Bapa Idi ngingoe moending, noe dipikanjaah katjida koe manehna, reh sasatna nja moendingna anoe djadi tatalang manehna teh.

 Oenggal isoek rěboen-rěboen Bapa Idi geus ka sawah, rek ngawoeloekoe atawa rek ngagaroe. Ari geus panas, sok eureun magawena. Moendingna disina reureuh.

 Kira-kira wantji asar si Idi sok ka waloengan djeung batoer-batoerna, ngagoejangkeun moendingna. Baroedak teh katjida soeka-boengahna, bari ngagoejangkeun moending sok hareureuj silih simbeuh djeung aja noe itjikiboeng atawa noe tětěmbangan.

 Si Idi njaaheun pisan ka moendingna. Pangrasana moendingna teh geus pangäloesna bae di salěmboer eta mah, malah radjeun manehna ngomong kieu ka batoerna: Moending dewek moal aja noe ngoengkoelan sagala-galana oge. [ 38 ]Ari dipake magawe tara ngadat djeung tara tjapeeun. Katjida matak rĕsĕpna ari keur narik woeloekoe, soekoena bĕbĕlĕkoekan kana leutak; tanagana katjida rosana teh.”

Baroedak noe sedjen oge masing-masing ngalĕm moendingna, tapi rasa si Idi mah moendingna bae noe pangoenggoelna. Lamoen batoerna moedji moendingna, koe si Idi sok dititah ngabandingkeun tandoekna bae, sabab jakin tandoek moending si Idi teh taja bangsana, boh gĕdena boh pandjangna.

Bapa si Idi sasat hĕnteu bisa pisah djeung moendingna, lantaran sakitoe njĕnangkeunana ka manehna, malah radjeun sok ngomong kieu: „Nadjan aja noe daek meuli mahal ge, moending aing mah moal didjoeal, sabab oepama didjoeal, atoeh meureun moal bisa ngagarap sawah.”

Ari bapana soeboeh-soeboeh indit ka sawah, si Idi sok mindĕng miloe, sok ngabantoe bapana sabisa-bisa. Ari moendingna keur nganggoer, koe si Idi sok ditoempakan bari tĕtĕmbangan. Kabisana poepoeh Poetjoeng, lagoena „Hajoe Batoer”, goegoeritanana kieu:

  1. Moal aja noe bĕdas tjara si Djaloe,
    Teu aja tandingna,
    Nadjan loba deui moending,
    Moal aja anoe saroea bĕdasna.
[ 39 ]
  1. Oenggal isoek sok dipake ngawoeloekoe,
    Ti barang braj beurang,
    Barang mělětek srangenge.
    Gětol pisan meunang sababara kotak.

  2. Moen geus panas, bapa magawe teu těroes,
    Sawědna dipětjat,
    Si Djaloe toeloej digiring,
    Disěnangkeun sina goejang di waloengan.”

 Batoer-batoer si Idi ge, baroedak lalaki sedjen, loba noe miloe ka sawah djeung bapana masing-masing. Ari bapana keur magawe, baroedak teh sakapeung sok ngarioehan handapeun tatangkalan di sisi sawah, karěkěděngan dina djoekoet bari ngawarangkong atawa ngadongeng, noeroetkeun dongeng ninina.

 Katjarita hidji poë wantji asar, baroedak teh araja keneh di sawah. Bapa-bapana keur ngareureuhkeun tjape, ari baroedak rek ngagoejangkeun moendingna ka waloengan; ěngkena kakara baralik ka sa-imah-imahna babarěngan djeung bapana, kitoe anoe geus biasa. Tapi harita bapa si Idi balik ti heula, sabab tjěnah arek ngahadean parandje, bisi kaboeroe boerit. Djadi si Idi rek balik pandeuri bae, sanggeus ngagoejangkeun moending.

 Harita teh poëna panas katjida. Moending si Idi geus goejang, tapi si Idi teu boeroe-boeroe antjroeb ka tjai, tjitjing heula di handapeun tangkal kai sisi waloengan. Sanggeus batoerna harandjat, si Idi kakara antjroeb, niat ngagěběg moendingna. Batoerna ngadaragoan, harajangeun balik barěng, tapi koe si Idi dititah baralik ti heula bae, da bisi karěsěleun. Harita teh doemadakan kolot-kolot geus baralik, djadi ngan tinggal baroedak bae sawatarana, da baroedak noe sedjen mah geus loba noe baralik. Eta sababna noe matak tjaritjing bae, noe dititah baralik koe si Idi teh, [ 40 ]

mělang tjěnah, bisi aja koemaha onam, wantoening deukeut ka leuweung, toeroeg-toeroeg tatjan lila aja noe manggihan tapak maoeng, teu pati djaoeh ti dinja.

 Sanggeus si Idi ngagěběg moending, sanggeus handjat rek ditjalana, baroedak teh ngadenge noe ngagaoer ti kadjaoehan, atoeh moenggah tingrareungeuh. Moending-moending sěmoe anoe sarieuneun, tjeulina dipasangkeun djeung tingpoentjěrěng. Aja oge moending noe njorodtjod soekoena sĕmoe rek loempat.

 Boedak noe saoerang ngomong rada bĕdas, pokna: „Maoeng, Idi! Sing gantjang dangdan teh, bisi disampeurkeun maoeng!”

 „Los bae ti hareula,” tjek si Idi, „moal boeroeng kasoesoel koe dewek, da si Djaloe mah tarik loempatna.”

 Baroedak teh geus tingkaretjlak taroempak moending, toeloej bae diloempatkeun patarik-tarik. Kabeh oge pĕrtjajaeun, jen geus tangtoe kasaroesoel koe si Idi, da teu lila antarana si Idi ge geus ketjlak toempak moendingna, sarta loempatna mani mĕlĕtĕng. Dilieuk koe batoerna, moending si Idi teu pati djaoeh ti maranehna, atoeh batoer-batoerna [ 41 ]

teh kabeh oge ngarasa tĕtĕg hatena, teu mĕlangeun ka si Idi. Djeung ĕnjana, oepama moending si Idi kĕbat loempatna, tangtoe si Idi salamĕt. Tapi dasar si Idi noedjoe keur soë, geura baratja tĕroesna!

 Tina pĕrkara tarikna si Djaloe loempat, memang teu aja tandingna, komo deui barang njahoeun, jen maoeng teh tĕroes ngoedag, geus beuki mĕlĕtĕng bae. Ari keur kitoe, soekoe-hareupna noe hidji oedjoeg-oedjoeg gĕbloes bae kana logak, ngadĕkloek meh tikoesroek. Si Idi laboeh ka hareup ngaliwatan hoeloe moending, kabĕnĕran hĕnteu ngagaris seuseukeut tandoek, djeung koe sabab mapaj poendoek moending tea, laboehna teh ngagalasar, hĕnteu njĕri ninggangna kana taneuh, tapi hĕnteu boeroe-boeroe nangtoeng deui, sabab kaboeroe moendingna ngalengkah deui, toeloej bae manehna teh nangkoeban, djadi aja di kolong moending.

 Teu koengsi lila maoeng geus deukeut, malah geus djol hareupeun moending, kawas ngadodoho si Idi. Lĕbah dinja kanjahoan koemaha prakprakanana, si Djaloe ngabela sobat. Geura tĕroeskeun baratja! [ 42 ] Si Djaloe moendoer saeutik, něpi ka soekoe-hareupna malěbahan sirah Idi, toeloej toengkoel ngadjaga Idi, bari matana moentjěrěng ngawaskeun maoeng, sarta tandoekna dipasang, ngadago maoeng naradjang.

 Maoeng teu sabar, pangrasana moal eleh karosaan, toer geus minděng ngelehkeun moending noe pantar kitoe. Gabroeg maoeng teh ngarontok, niat njakar djeung někoek. poendoek si Djaloe. Si Djaloe rikat masangkeun tandoek, dipake njodok anoe ngarontok, poeng maoeng teh diampoelkeun, bari seuseukeut tandoekna dipasangkeun kana lěbah piragrageunanana maoeng. Ana tjrěb teh tandoek kana beuteung maoeng, maoengna mani ngagaoer ngarasa njěri. Beuteungna boedal-badil, peudjitna bidjil, gětihna ngabajabah. Si Idi mělěngěk bae, asa di pangimpian, tapi teu sakara-kara, marga belana si Djaloe djeung pangěrsa Maha Kawasa.

 Batoer-batoer si Idi tea ngaloempatkeunana moending ditěroeskeun něpi ka lěmboer. Geus taroeroen tina moending, kakara njarahoeun, jen si Idi hěnteu těroes noetoerkeunana, atoeh pada njangka geus tiwas bae. Toeloej bae baroedak patingsorowok: „Aja maoeng! aja maoeng!”

 Kolot-kolot tingtorodjol ti imahna, naranjakeun, di mana aja maoeng teh. Koe baroedak ditjaritakeun, jen aja maoeng ngagaoer di sisi sawah, sarta maranehna téroes taroempak moending, baralik. Si Idi oge noetoerkeun, toempak moending pangpandeurina, tapi hěnteu njarahoeun, koemaha noe matak si Idi tatjan tembong keneh bae. Panjangka baroedak mah, tiwas bae si Idi teh.

 Gantjang bae sakoer lalaki noe djagdjag sagěd, marawa pakarang sabogana-sabogana, toeloej arindit ka sawah, neang si Idi, soegan bisa keneh ditoeloengan.

 Bapa si Idi ge miloe, tapi hatena teu wěleh salempangeun, sieuneun anakna geus djadi wadal.

 Teu koengsi něpi ka sawah, ti kadjaoehan keneh geus katembong si Idi nangtoeng deukeut moendingna. Atoeh [ 43 ]djělěma-djělěma teh beuki tarik laloempatna, hajangeun geura ngadenge tjarita si Idi. Barang geus amprok, gantjang bae si Idi teh pada nanja; barabat koe manehna ditjaritakeun, ti barang moendingna tibělesěk, toeloej manehna laboeh sarta rek dirontok maoeng, maoengna diampoelkeun koe si Djaloe, ditampanan koe tandoekna, něpi ka beuteung maoeng teh boedal-badil.

 Taja babandinganana djělěma-djělěma teh soeka-boengahna, komo bapa si Idi mah, reh geus salamět, nadjan moendingna baloboran ge hoeloena, ditjakar maoeng.

 Bangke maoeng djoeng digarotong, bring baralik bari rame saloesoerakan.

 Sadatang-datang ka imah, pakěpoek Bapa Idi ngoebaran hoeloe si Djaloe, sarta heuleut sawatara poë si Djaloe geus tjageur deui. Bawaning soeka, keur ngarioeng saanak-pamadjikan, Bapa Idi ngomong kieu: „Tambah-tambah bae si Djaloe mah pikanjaaheunana teh, noe matak salawasna ge moal didjoeal djeung moal dipeuntjit, kadjeun sina paeh bangkar.”

 Pamadjikanana njamboeng: „Poegoeh bae koedoe moelang tarima mah, da kapan si Djaloe teh geus noemboe oemoer anak oerang. Tatjan poegoeh djělěma mah belana kawas si Djaloe, něpi ka poho ka diri sorangan.”


11. Si Soeri djadi baboe.


 Si Soeri teh geus tamat sakola desa. Memeh balik ti sakola, goeroena sasaoeran, kieu saoerna: „Ajeuna maneh geus tamat sakola, toer kaasoep kana golongan baroedak pintěr. Lamoen hajang, meunang maneh těroes diadjar di sakola samboengan.”

 Senjana si Soeri teh rěsěpeun keneh diadjar, djeung [ 44 ]hajangeun asoep ka sakola samboengan, kabitaeun koe batoerna noe ngaran Mirah djeung Iněm. Handjakal teu karoedjoekan koe indoengna, sabab kieu omong indoengna: „Tamat sakola desa ge geus tjoekoep, Soeri, montong hajang asoep ka sakola samboengan kawas batoer. Ajeuna mah diadjar digawe di imah bae, bari ngabantoean ěma. Kapan adi maneh oge asoeheun keneh.”

 Indoeng si Soeri teh randa; kira-kira geus aja sataoen katinggal maot koe salakina, bapa si Soeri. Koe sabab eta kapaksa manehna koedoe oesaha sorangan, keur njoekoepan sandang-pangan saimah-imah. Ari pakasabanana noe ngabakoe, nja eta boeboeroeh noetoe atawa děrěp.

 Mimitina si Soeri teh ngarasa rada ngaroemas, lantaran geus biasa oenggal isoek sok ka sakola, ari ajeuna teu bisa ka mana-mana. Lamoen nendjo batoerna noe doea tea, si Mirah djeung si Iněm babarěngan ka sarakola, si Soeri sok toeloej bae ngabangbrangkeun maneh ngasoeh adina, ngais noe boengsoe si Ĕndjoen djeung noengtoen si Ĕndjen, pangais boengsoe.

 Barang adina noe doea geus sarakola, mimiti si Soeri ngarasa rada senang, da ngoeroes roemah-tangga mah teu sabaraha, wantoening imah-imah di kampoeng, teu loba oenak-anikna. Ari dina hidji poë indoeng si Soeri teh ngomong, pokna: „Daek Soeri djadi baboe? Di pasar ěma papanggih djeung kawawoehan. Manehna njahoeun, jen ěma boga anak awewe geus gěde, nja maneh; toeloej nanjakeun ka maneh, soegan daek djadi baboe, sabab tjěnah, djoeragan Djaksa di dajeuh, poetrana doea taja noe ngasoeh, lantaran baboena balik. Tjek manehna, bageur pisan iboe maroerangkalih teh, gěten ka rentjang djeung hěnteu běngis. Oepama maneh daek mah sarta gadjihna meudjeuhna, pek bae djadi baboe ge, soegan bae bisa tjoekoep pikeun kapěrloean maneh, kilangbara bisa njoembang teh ka ěma.”

 Eukeur mah aja pikiran, si Soeri teh rek neangan paga[ 45 ]wean, ajeuna aja anoe nawaran, toeroeg-toeroeg karoedjoekan koe indoengna, djeung bakal aja di dajeuh, bakal loba tetendjoan, atoeh njĕboet manggana teh moenggah haripeut.

 Teu katjatoer hal babadamianana, ngan katjatoer si Soeri teh geus aja bae di dajeuh, di boemi djoeragan Djaksa, djadi baboe. Nendjo medja djeung korsina djeung paparabotan sedjen noe araloes toer bĕrĕsih, si Soeri rĕsĕpeun pisan.

Babakoena noe matak manehna katjida bĕtaheunana, lantaran maroerangkalih asoehanana teu arogoan, sok naroeroet ka si Soeri teh. Moerangkalih noe doea teh, nja eta Dang Wawan djeung Neng Titi noe pangboerĕjna. Komo eta mah Neng Titi apet pisan ka si Soeri teh, tina katjida bisana si Soeri ngasoeh, sok njieun tjotjooan, sapĕrti: wawajangan koe daoen sampeu, kakaretaan koe tjangkang djĕroek atawa naon bae. Koe ejangna Neng Titi teh dipanggaleuhkeun boneka gĕde. Eta boneka koe si Soeri dipangnjieunkeun badjoe, atoeh beuki rĕsĕpeun bae Neng Titi kana eta boneka, make diais sagala koe pangais leutik, diejong-ejong disina bobo. [ 46 ] Sore-sore saoepama moerangkalih geus karoelem, si Soeri diadjar ngapoet, noeroetkeun piwoeroek doenoenganana, babakoena sok ngapoetan panganggo moerangkalih noe saroëk. Barang geus nampa bajaran, manehna meuli ěntjit keur adina anoe boengsoe, pek dibědah toeloej dikapoet. Ari dina hidji poë si Soeri amit ka doenoenganana, rek njaba ka lěmboerna poelang poë, nja eta tjěnah, rek ngirimkeun badjoe adina tea djeung ngirim doeit ka indoengna, keur nambah-nambah balandja. Diidinan koe doenoenganana, ngan oelah lila teuing, sabab Neng Titi bisi leungiteun.

 Di imahna si Soeri ngagorah bae, njaritakeun kaajaan di boemi djoeragan Djaksa djeung njaritakeun moerangkalih asoehanana. Indoengna atoheun pisan, reh si Soeri ngarasa bětah di dajeuh, toer make barangkirim. Katjida si Soeri soeka-atina nendjokeun adi-adina marěboetkeun kadaharan bawa ti dajeuh. Komo adina noe boengsoe, barangdahar sarta bari nilik maneh, make badjoe pangirim si Soeri tea.

 Oenggal-oenggal toetoep boelan, sanggeus bajaran, si Soeri teh sok datang ka imahna, barangkirim ka indoengna djeung adi-adina. Sakali mangsa, waktoe aja di imahna, si Soeri sěmoe noe soesah, sarta goera-giroe bae ka dajeuh deui, sabab mělang ka Neng Titi, teu damang tjěnah, teu meunang ditinggalkeun lila-lila.

 Sanggeus datang ka boemi doenoenganana, boeroe-boeroe si Soeri asoep ka pangkoelěman. Kasondong djoeragan istri keur ngalandongan Neng Titi. Rek ka loear andjeunna sasaoeran: „Gek Soeri dioek di dieu, kami kěsěl, rek ka loear heula sakeudeung. Ati-ati oelah tjektjok, Ěneng keur sare.”

 Kaběněran aja doktor rek mariksa, enggal atoeh djoeragan istri ka kamar deui, njarěngan doktor. Pek doktor teh mariksa moerangkalih lalaoenan, toeloej woewoeroek ka djoeragan istri, sarta toeloej ka loear deui.

 Si Soeri meh beurang-peuting ngadjaga di pangkoelěman, kaloearna ngan sakeudeung-keudeungeun. Ari Neng Titi [ 47 ]moendoet ngaleueut, gĕsat-gĕsoet manehna njitjikeun tjai. Pek moerangkalih dilahoen sina ngaleueut, toeloej diebogkeun deui. Ti peuting lamoen geus toendoeh, meunang si Soeri sare heula di ĕnggonna, toeloej Neng Titi ditoenggoean koe iboena, bagĕntos djeung ramana.

12. Si Soeri djadi baboe.
(Toeloejna).



 Geus sawatara peuting djoeragan istri teu iasaeun koelĕm, da mĕlang ka poetra tea, nĕpi ka rada teu damang. Si Soeri ngarasa salĕmpang, bisi doenoengan katĕtĕrasan. Nja dina hidji poĕ, pok si Soeri oendjoekan ka djoeragan istri, pokna: [ 48 ]„Ajeuna abdi njoehoenkeun idin, siang-siang bade mondok sakedap, soepaos wengi engke tiasa ngadjagi poetra dongkap ka endjing, djadi gamparan iasa koelěm.”

 „Hade bae”, saoer djoeragan istri teh, „sabab kami, lamoen koerang teuing sare, bisa djadi toeloej gěring. Tapi oepama pěrloe mah, boeroe-boeroe kami geuingkeun, nadjan tengah peuting oge.”

 Kaběněran peuting eta Neng Titi tibra koelěmna, sapeuting djěmpling teu lilir-lilir, kawasna mimiti damang. Iboena nja kitoe deui, koelěmna rada tibra, djadi salirana ěgěr deui. Isoekna koeroetak doktor, mariksa noe teu damang. Ěnja bae tjek doktor ge, Neng Titi teh geus henteu matak salempang, tangtoe damang sakeudeung deui oge.

 Pohara bingaheunana doenoengan si Soeri istri-paměgět, nja kitoe deui si Soeri, sarehing asoehanana geus rada tjenghar, geus rěrěp toer geus kěrsaeun barangtoeang saeutik-eutikeun. Kira-kira saminggoe deui, tjek doktor geus tangtoe damang. Oenggal poë Neng Titi teh koedoe dileueutan tjisoesoe něpi ka doea gělas. Oenggal poe koe si Soeri ditoelatenan, beuki katara damangna. Heuleut saboelan geus damang pisan, poelih deui sabaheula bihari, sok dibawa djalan-djalan koe si Soeri djeung sakapeung sok diasoeh di kěbon.

 Ari dina hidji poë pasosore djoeragan istri sasaoeran ka si Soeri, njarioskeun tjarogena dialihkeun ka Soematra, sarta tangtoe andjeunna ge djeung poetra-poetrana ngiring.

 Si soeri rada ngarendjag, ngadenge saoer doenoenganana kitoe teh, sarta gantjang bae naros: „Iraha, gamparan?”

 Djoeragan istri: „Piinditeun kira-kira saboelan satěngah deui.”

 Hěnteu kěbat sasaoeran andjeunna teh, sabab harita kaboeroe aja tatamoe.

 Katjarita waktoe si Soeri di djalan, rek ka lěmboerna sakoemaha biasa, taja lian noe dipikiran ngan pěrkara [ 49 ]doenoenganana rek ngalih tea. Babakoena noe dipikiran,nja eta sieun papisah djeung Neng Titi, noe sasatna geusdjadi boeah hatena, kanjaahna geus lain djidjieunan. Ariras ka moerangkalih anoe sakitoe apetna ka manehna, koe manehna geus katjipta, koemaha ěngke pětana, lamoen djaoeh ti manehna.
 Di imahna si Soeri teh ngan sakeudeung, gěsat-gěsoet ka dajeuh deui, da moerangkalih ngan koematjatjang bae dina panonna.
 Keur waktoe djoeragan istri njaoerkeun rek ngalih tea, sanějana teu aja manah rek njandak si Soeri ka Soematra, sabab bisi teu daekeun djeung bisi teu bětaheun di ditoena, geus bae pikasěsaheun andjeunna. Tapi barang Neng Titi diotjal-otjal, ditjariosan jen si Soeri geus balik ka lěmboerna, sarta moal datang deui, Neng Titi teh moenggah ngalimba, djeung njaoerkeun rek miloe djeung Soeri. Koe sabab eta, sadatangna si Soeri ti lěmboerna, gantjang bae djoeragan istri teh mariksa : ,,Koemaha Soeri, lamoen miloe ka Soematra, daek atawa hěnteu ? Ari ras ka maneh, bisi teu bětah di ditoe, měnding teu miloe maneh teh, tapi ari ras ka Neng Titi noe geus sakitoe apetna ka maneh, meureun roengsing, hajang papanggih djeung maneh, da ka baboe anjar mah tatjan tangtoe apetna kawas ka maneh. Koemaha atoeh, moen miloe bae maneh teh ?"
 Si Soeri ngarasa bingoeng. Di loehoer geus disěboetkeun, jen sakitoe kanjaahna ka moerangkalih asoehanana, geus katjipta koe manehna, sakoemaha pisoesaheunana, lamoen padjaoeh. Tapi ingět kana djaoehna pangoembaraan toer teu njaho djalanna, manehna teh geus hoream ti memehna; koemaha pětana, lamoen manehna hajang papanggih djeung indoeng katoet adina noe doea, si Ĕndjen djeung si Ĕndjoen? Eta sababna, noe matak manehna gawena ngahoelng bae, teu boeroe-boeroe ngawalon.
 ,,Kaharti Soeri koe kami oge," saoer djoeragan istri teh,
[ 50 ]„noe matak maneh hĕnteu bisa ngadjawab teh. Tjoba bae badami heula djeung indoeng maneh. Tjaritakeun ka indoeng maneh, jen oepama di ditoe geus aja pigantieun maneh, noe sakira njaaheunana ka Neng Titi kawas maneh, tangtoe maneh dioeroeskeun koe djoeragan pamĕgět, soepaja bisa balik deui ka Poelo Djawa. Pĕrkara di djalanna mah, kami nanggoeng, taja pikasalĕmpangeun. Soegan moal koengsi sataoen, maneh padjaoeh djeung kolot. Eta kabeh tjaritakeun koe maneh ka indoeng maneh."

 Teu ngadago toetoep boelan tjara sasari, si Soeri geus indit deui ka lĕmboerna, ngahadja rek badami djeung indoengna, sakoemaha piwoeroek djoeragan istri. Sadatang-datang ka imah, barabat bae manehna njarita pandjang, maksoedna menta timbangan hal ngiring atawa hĕnteu ka Soematra. Indoengna ngadjak badami ka adina awewe, bibi si Soeri, malah toeloej ajeung si Soeri ka boemi oeroet goeroena, njoehoenkeun pěrtimbangan. Gantjangna mah indoeng si Soeri geus gilig, geus ngidinan anakna ngiring ka doenoenganana, reh pĕrtjaja kana kasaoeran djoeragan istri tea.

 Gantjangna tjarita bae, doenoengan si Soeri sagarwa poetra katoet si Soeri geus araja dina kareta api noe noedjoe ka Djakarta, djeung isoekna geus araja dina kapal noe balajar ka Soematra.

 Ti sabral si Soeri indit, indoengna teh teu wĕleh hoelang-hoelĕng, eling toer mĕlang ka anak, noe hĕnteu dinjana-njana bakal ngoembara ka nagara anoe sakitoe djaoehna, teu njaho lĕbah-lĕbahna. Sakapeung mah manehna teh make njoeroeloek tjipanon. Kahartieun koe si Ěndjen djeung si Ěndjoen, jen indoengna kagagas koe si Soeri, atoeh maranehna oge toengtoengna teh mariloe tjipanonan, bororaah ngabangbrangkeun ka indoengna. [ 51 ]

13. Reungit malaria.

 Baroedak anoĕ gětol mah daratang ka sakola teh tara kabeurangan, malah aja noe lila keneh kana lotjeng geus aroelin di boeroean sakola. Di handap ieu rek njaritakeun hidji sakola, noe moeridna biasana mah garětol. Isoek-isoek samemeh soemping goeroena, geus rame koe noe aroelin. Sawatara boedak awewe keur soesoempoetan, ari baroedak lalaki hahajaman, geus rada tjarapeeun, geus rek areureun.

 Hidji moerid kělas lima, ngaran Koesnadi, nitah eureun hahajaman, ngadjak gobag.

 Sabot kitoe torodjol goeroena soemping. Ngadangoe Koesnadi ngomong, andjeunna sasaoeran: „Oelah ketah, oelah gobag. Sakeudeung deui ge lotjeng. Areureun anggoer. Ĕngke bae rek gobag mah waktoe ngaso."

 „Keleneng! keleneng!" lotjeng ditabeuh, gantjang baroedak ngaberes doea-doea; panghareupna boedak awewe, di deukeut panto sakola.

 „Keleneng!" lotjeng sakali deui, kakara baroedak asoep ka sakělas-kělasna. Ari geus darioek kabeh, katingali koe goeroena, jen loba moerid anoe teu asoep. Aja sawatara bangkoe noe teu aja noe ngadioekan.

 Saoer goeroena: „Naha euj, mana loba-loba teuing noe teu asoep teh. Sasari ge sok aja bae noe absen, tapi tara něpi ka tjara poë ieu mah."

 Moerid noe ngaran Koesnadi, anoe kaseboet di loehoer, asal ti sakola sedjen, tatjan lila diadjarna di sakola eta mah. Rada kageteun, nendjo batoerna loba anoe teu datang teh, da di sakola manehna noe bareto mah, tjek manehna tara loba-loba teuing anoe absen. Toengtoengna manehna naros ka goeroena, naon sababna noe matak kitoe.

 Tadina bapa Koesnadi tjěkěl gawe di Soreang, toeloej dipindahkeun ka Palaboean. Eta sababna noe matak Koesnadi asoep sakola di Palaboean. [ 52 ] Panaros Koesnadi tadi di loehoer, koe goeroena diwalon kieu: „Kaajaan di Soreang djeung di dieu teu saroea. Di dieu mah loba djělěma anoe katěrap moeriang. Moerid-moerid noe teu asoep ge, lolobana mah anoe moeriang."

 Dasar boedak rada pěrtjeka, Koesnadi teh henteu tjoekoep koe walonan goeroe sakitoe, aja keneh kapanasarañana. Pok manehna naroskeun, koemaha lantaranana noe matak loba anoe moeriang.

 „Lantaranana," saoer goeroena, „anoe matak aja kasakit moeriang, rada pandjang. Minggoe hareup koe dewek rek diterangkeun. Sakalian rek ditoedoehkeun djoerigna." Sasaoeranana kitoe, goeroe teh bari mesěm.

 Baroedak loba noe seuri, aja oge noe olohok, teu ngartieun kana tjarios goeroena, koemaha pětana noedoehkeun djoerig moeriang.

 Heuleut sawatara poë, waktoe pangadjaran matja, baroedak teh koe goeroena henteu waka disina ngaloearkeun boekoe, dipiwarang ngadarengekeun heula kana kasaoeranana. Kieu saoer goeroena teh, bari ngadjoengdjoengkeun panangan doeanana, masing-masing dianggo njěpěng gělas: „Tarendjokeun, ieu aja gělas kosong doea. Tjoba Koesnadi ka dieu djeung Mariah."

 Eta gělas anoe hidji dipaparinkeun ka Koesnadi, hidji deui dipaparinkeun ka Mariah, toeloej sasaoeran deui: „Koesnadi koedoe ka loear ka soesoekan. Eta gělas koedoe dieusian tjai ti soesoekan. Ari Mariah koedoe ngeusian eta gělas koe tjai saring. Los ka ditoe, geura eusian!"

 Boedak doea kalaloear. Teu koengsi lila Mariah geus asoep deui, mawa gělas beunang ngeusian koe tjai. Geus kitoe Koesnadi oge asoep deui ka sakola, mawa gělas beunang ngeusian koe tjai ti soesoekan. Ari eta soesoekan teh henteu monteng, tjaina rada ngeujeumbeu. Henteu kiroeh-kiroeh teuing tjaina teh, ngan rada loemeur. Eta gělas anoe doea geus diteundeun dina medja direndengkeun. [ 53 ] Pok deui goeroena sasaoeran: „Tarendjokeun! Ieu gĕlas doeanana rek ditoeroeban koe kĕrĕtas, djeung ditjirian, noe mana tjai saring djeung noe mana tjai soesoekan.”

 Sanggeus kitoe, toeloej eta doea gĕlas diasoepkeun kana lomari, sarta tĕroes goeroe sasaoeran deui: „Oelah poho, oenggal isoek ieu gĕlas koedoe pada ngarilikan. Geura ĕngke kanjahoan, bakal aja naon-naon di djĕrona.”

 Baroedak teh tigin pisan kana piwoeroek goeroena. Oenggal isoek teu paroho ngarilikan eta gĕlas anoe doea. Nadjan sawatara poë hĕnteu aja naon-naon di djĕro eta gĕlas, hĕnteu wĕleh diarilikan bae, da pĕrtjaja kana kasaoeran goeroe. Kira-kira heuleut saminggoe, kakara kanjarahoan koe baroedak, jen gĕlas noe dieusian koe tjai soesoekan tea, di djĕrona geus aja oetěk-oetěk. Atoeh tjektjok baroedak teh, ngabedjaan batoer-batoerna, jen aja oetĕk-oetĕk.

 Noe disĕboet oetĕk-oetĕk teh laleutik pisan, pandjangna ge ngan sawatara mm. Ari noe matak disĕboet kitoe, sabab eta sato gawena ngan tingäroetĕk. Mimitina tjaritjing di handap bae di dasar tjai, toeloej lalaoenan ka loehoer bari hĕnteu eureun-eureun oetak-oetĕk, beuki loehoer-beuki loehoer,

Oetĕk-oetĕk.
(Ditendjo make soeriakanta).
[ 54 ]toengtoengna tjaritjing bae, boentoetna di beh loehoer kawas noe djoengkir.

Koe goeroena dipariksakeun ka baroedak, noe aja oetĕk-oetĕk teh dina gĕlas anoe mana.

„Dina gĕlas noe dieusi tjai soesoekan,” walon baroedak.

Tĕroes bae baroedak teh oenggal isoek sok ngarilikan gĕlas. Oetĕk-oetĕkna kadjaba ti noe galĕde, aja deui anoe laleutik katjida, gĕdena toempa-toempa. Heuleut sawatara poë djoemlahna oetĕk-oetĕk teh geus loba pisan. Tapi ari dina gĕlas noe dieusi tjai saring mah, hĕnteu aja hidji-hidji atjan oetĕk-oetĕk teh. Tjaina ge anggĕr ngagĕnjas sakoemaha tadina.

Eta gĕlas noe pinoeh koe oetĕk-oetĕk koe goeroena didjoengdjoengkeun, dipiwarang ditarendjo koe baroedak, bari saoerna: „Koe maraneh kanjahoan, jen oetĕk-oetĕk teh beuki loba, djeung gĕdena panta-panta. Tah eta noe panggĕdena, kira-kira aja ½ cm pandjangna.”

14. Reungit malaria.
(Toeloejna).

Poë Sĕnen isoek-isoek, waktoe baroedak rek ngarilikan gĕlas, Koesnadi noe pangheulana moeka lomari, sarta njokot gĕlas noe aja oetěk-oetěkna tea.

Eta gĕlas didjoengdjoengkeun koe Koesnadi bari pokna: „Tarendjokeun, geura ieu aja reungit di djĕro gĕlas teh.”

„Aneh nja,” omong Mariah, „koemaha noe matak eta reungit bisaeun asoep? Kapan sakitoe rekepna toetoepna teh!”

Goeroena aja di dinja. Ngadangoekeun baroedak haliwoe teh mesĕm bae, teu sasaperan nanaon. Ari [ 55 ]reungit oenggal poě tambah deui-tambah deui bilanganana.

 Dina hidji poë, noe pangheulana moeka lomari, goeroena. Barang ningalian gělas, andjeunna sěmoe noe kaget, bari miwarang baroedak boeroe-boeroe ngilikan gělas, lantaran aja noe aneh di djěrona. Atoeh riboet baroedak paheula-heula njalampeurkeun ka goeroena.

  „Ěnja geuning,” tjek hidji boedàk, „aneh eta mah oetěk-oetěk teh.”

 Noe matak disěboet aneh, eta oetěk-oetěk ngambang, teu obah-obah, kawas noe paeh. Poetjoenghoel tina hoeloena kaloear reungit lalaoenan. Gělěběr reungitna hiběr, eunteup dina tjai.

 Mariah dipariksa koe goeroena, saoerna: „Kaharti ajeuna Iah, naon noe djadi reungit teh?”

  „Kahartos”, walon Mariah, „noe djadi reungit teh oetěk-oetěk, sapěrtos hileud sok djadi koekoepoe.” [ 56 ]Baroedak ngadarengekeun kana pamariksa goeroe djeung djawaban Mariah. Atoeh ngarti kabeli oge ajeuna mah, jen reungit teh oetěk-oetěk asalna mah.

„Tah kitoe maksoed dewek teh,” saoer goeroena, „noe matak maraneh dititah ngilikan gělas oenggal isoek teh, njaeta soepaja nendjo pribadi, koemaha pěta-pětana oetěk-oetěk djadi reungit. Ajeuna rek ditěrangkeun, koemaha toeloejna lalampahan eta reungit. Saoepama ieu gělas diboeka toetoepna, tangtoe reungitna haliběr ka mana-mana. Heuleut sawatara poë reungit teh ngěndog. Ĕndogna lalěmboet pisan, něpi ka meh teu katendjo. Karěsěpna ngěndogna di tjai anoe teu ngotjor, saperti soemoer atawa kolomberan. Di soesoekan noe noe ngeujeumbeu sarta kotor, leuwih-leuwih rěsěpeunana. Tapi dina saringan mah atawa dina gěntong, teu aja ěndog reungit. Ĕnja kitoe Sarbini, atawa hěnteu?”

Walon Sarbini: „Oepami saringan atanapi gěntong ditoeroeban, tangtos reungit moal tiasaeun lěbět, djadi tangtos moal tiasaeun ngěndog di dinja.”

Goeroena: „Běněr euj, pintěr Sarbini. Tah ajeuna sing aringet, saringan djeung gěntong tea salawasna koedoe ditoeroeban sing rekep. Toeloejna tina ěndog mah, koe maraneh meureun kaharti, nja eta ana měgar sok djadi oetěk-oetěk. Ari oetěk-oetěk měgar nja djadi reungit deui.”

Sanggeus eureun sakeudeung, těroes deui goeroena sasaoeran: „Tjoba ajeuna palikir, saoepama di dieu euweuh kolomberan djeung euweuh tjai ngeujeumbeu kawas běběr di sisi laoet, koemaha kira-kirana, loba reungit atawa moal?”

„Moal aja,” walon Sarbini, „margi oetěk-oetěk tea tiasaeunana hiroep moeng dina tjai tjitjing. Dina tjai noe tarik mah kabantoen palid koe tjai.”

Rada djaoeh Sarbini pikiranana, omongna: „Běněrna mah koedoe dilarang, oelah aja kolomberan atawa tjai ngěmběng, sangkan oelah aja reungit.”

Saoer goeroena: „Naha Sarbini, maneh teh ngewa kana reungit?” [ 57 ] Walonna: ,,Soemoehoen abdi mah ngewa, bongan sok njotjo sarěng sok ngagandengan."

 Goeroena: ,,Poegoeh dewek ge nja kitoe, teu rěsěp ka reungit teh, malah sarerea oge moal aja noe rěsěpeun. Leuheung bae, an ngan oekoer njotjo mah, ngan oekoer ateul. Sawareh mah kapan aja anoe djadi djoerig mooriang, těgěsna djadi lantaran moeriang, nja eta anoe dingaranan reungit malaria."

 Baroedak kabeh olohok, teu ngartieun kana tjarios gocroena, koemaha noe matak reungit djadi lantaran moeriang. Ĕnja-ěnja maranehna ngarěgpkeun, barang goeroena njarios deui, saoerna: ,,Moen teu aja reungitna mah, moal aja kasakit malaria teh. Lamoen reungit malaria dibasmi kabeh, moal aja deui djělma noe katěrap malaria, djadi moerid-moerid oge moal loba noe teu asoep ka sakola, da tjalageur. Oerang bae ajeuna moh sing ati-ati, oelah aja tjai ngěmběng di pakarangan, sing minděng montengkeun kolomberan, djeung oelah neundeun kaleng atawa wawadahan noe sakira kaeusian tjai hoedjan, sabab tjai hoedjan oge sok dipake ngěndog koe reungit."

 Koesnadi sanggoep, jen manehna pribadi rek ati-ati, soepaja pakaranganana toehoer, teu aja noe betjek-betjek pikarěsěpeun reungit.

 ,,Poegoeh bae," saoer goeroena, ,,da indoeng-bapa oerang teh loba deui kapěrloean, noe matak koedoe oerang noe ngoeroes pakarangan mah. Nagara teu koerang-koerang ngadjalankeun ihtiar, geusan kasehatan rahajat. Pagawean anoe bangga, sapěrti njaatkeun rantja-rantja, ngdoek soesoekan djeung salian ti eta, dipigawena koe pagawe nagara anoe maranti. Tapi tangtoe noe djadi rahajat oge koedoe ngabantoe, těgěsna koedoe daraek ngoeroes pakaranganana djeung imahna masing-masing, soepaja běrsih, soepaja djaoeh kasakit. Ari aja noe betjek-betjek, meunang oge dibandjoer koe karbol atawa koe minjak tanah. Tjinděkna [ 58 ]

mah oerang sarerea koedoe ihtiar, pikeun ngabasrni reungit malaria, lantaran eta reungit teh, lamoen njotjo ka djělěma, sok ngasoepkeun bibit kasakit moeriang, sarta anoe katěrap moeriang malaria teh, bisa djadi něpi ka adjal, ari hěnteu kaboeroe katoeloengan mah."

Kolombera disěmprot koe minjak tanah.


15. Toekang batoe kaleuwihan.

 Katjarita aja hidji toekang batoe anoe koerang panarima ka Anoe Maha Kawasa. Minděng pisan manehna ngarasoela. Ari geus ngarasa tjape digawena, manehna teh sok ngarahoeh bari ngomong djroning hate, pokna: ,,Adoeh pagawean aing, mana bangga-bangga teuing, ari hasilna teu sabaraha. Moal aja noe sangsara kawas aing."

 Anoe matak manehna sasambat kitoe, sabab poě harita teh katjida pisan panasna, toer di těmpat digawena hěnteu aja tatangkalan keur ngioehan. Ari batoe noe keur ditoegaran tea, katjida pisan teuasna.

 Digawena sapoě djěpoet, ti isoek něpi ka boerit. Ana balik teu bisaeun leumpang gantjang, da katjida ngarasa [ 59 ]tjapeeunana. Sapandjang djalan ngan mikiran koelak-tjanggeum bagdja awak, lantaran saoemoeroemoer, ti boeboedak nĕpi ka kolot, ti ngongkoak nĕpi ka ngoengkoeeuk teu pinanggih djeung kasĕnangan. Moenggoeh kasoehoedanana toekang batoe teh meh teu aja tandingna, digawena sasat soekoe didjieun hoeloe, hoeloe didjieun soekoe, tapi kahiroepanana djaoeh tina ngaran tjoekoep, sakapeung mah dahar oge hĕnteu seubeuh.

 Ari dina hidji poë keur noedjoe digawe deui sabiasa djeung di tĕmpat eta keneh, toekang batoe kapanasan nĕpi ka njaktjlakan kesang. Pek manehna teh eureun, njosoetan kesang heula. Sabot kitoe, djorodjoj aja pikiran, lalamoenan djadi noe beunghar. Omongna dina hatena: ,,Saoepama aing beunghar, tangtoe aing hĕnteu koedoe doeg tinĕtĕk, digawe beurat tjara ajeuna. Ngeusian imah gĕdong anoe aloes. Hees dina kasoer anoe ĕmpoek, katilna dikoelamboean, moal digoeroemoet reungit. Dahar seubeuh sarta ngeunah oenggal poë. Dina waktoe panas poë mĕntrang-mĕntring, bisa ngioehan di papanggoengan di tĕngah patamanan."
 Rada oelĕng manehna lalamoenan teh, nĕpi ka meh poho bae, jen keur digawe. Barang eureun lalamoenan, gantjang ngawadahan batoe kana tjarangka parantina. Sanggeus kitoe pok manehna ngomong deui djro hatena: ,,Ah, rek eureun digawe teh, da geus tjoekoep sakieu ge. Ladang batoe poë ieu meudjeuhna keur meuli beas, dahareun djeung pamadjikan. Digawe paeh poso ge moal beunghar, da geus kadar koedoe djadi djĕlĕma miskin."
 Kakara gap ngaragap rantjatanana, rek ngadjoengdjoengkeun batoena, rek ditanggoeng, oedjoeg-oedjoeg torodjol bae

. [ 60 ]

malaikat, teu kanjahoan ti mana djolna, geus aja di hareupeun toekang batoe, ditimbalan koe Goesti Noe Maha Soetji, ngadawoehkeun, jen toekang batoe dikĕrsakeun djadi noe beunghar. Harita disina peureum, toeloej sina beunta deui.
 Barang beunta, malaikat geus ngaleungit, toekang batoe geus djadi djĕlĕma beunghar. Papakeanana geus diganti koe noe wareuteuh toer aloes. Imahna gĕdong weuteuh, dikoerilingan koe taman. Tĕngah-tĕngah patamanan aja balong, dilingkoeng tangkal balingbing. Korsi-medja djeung paparabotan sedjen, woengkoel noe araloes bae, noe biasa aja di gĕdong noe beunghar. Randjangna randjang beusi, koelamboena soetra dewangga. Ari di boeroeanana aja tangkal tjaringin koeroeng, ngarĕnggĕnĕk loba dahanna, gomplok daoenna, di handapna ioeh toer lenang, paranti noe sĕnangsĕnang. Tjindĕkna toekang batoe teh tinĕkanan panĕdjana, lir kagoentoeran madoe, kaoeroegan mĕnjan poetih; saniskara geus sadia, hĕnteu ngalieuk ka euweuh. Geus moal leuwih ti kitoe kasĕnangan di doenja mah.
 Kotjap dina hidji poë, Radja di nagara eta keur pasiar nitih kareta, ngalangkoeng ka hareupeun gĕdong anjar, tĕmpat noe beunghar, noe kakara mĕnjat tea tina sangsara. Sang Radja teh nitih kareta noe ditarik koe koeda opat, kabeh barodas bĕrĕsih, ti poengkoerna dipadjĕngan koe padjĕng gilap moenggah goembjar. Diiring koe para mantri ponggawa, taroenggang koeda noe gagah, matak bĕngong anoe ningal.
 Toekang batoe noe geus djadi beunghar tea noe rasana geus taja anoe mapakan, nendjo Sang Radja ngalangkoeng
[ 61 ]dina kareta, diiring para ponggawa noe sakitoe garandangganndmgna, bět ngarasa katitih kabina-bina; kabeungharan sakitoe teh, dibandingkeun djeung radja mah, teu sadjeredjerena atjan.

 Barang aleutan Sang Radja geus teu katingal, toekang batoe ngomong sadjroning hate: ,,Koemaha rasana toempak kareta karadjaan, toer make pajoeng gilap? Matak naon, lamoen aing djadi radja? Moegi-moegi Goesti Anoe Si pat Moerah ngalaksanakeun kana panoehoen oematna !"

 Doemadakan satoetoepna omongan toekang batoe, ngong kadenge aja soara tan katingalan, pokna: ,,Panoehoen maneh dikaboel."

 Djlěg bae harita keneh noe beunghar teh djadi radja. Imahna djadi karaton, grějěk abdi-abdina. Andjeunna linggih dina korsi karadjaan, dideuheusan koe para mantri ponggawa. Goelang-goelang dipiwarang njaoer kareta, ngan sadjelat geus djol deui, tjong njmbah, gek dioek, oendjoekan, ngoendjoekkeun kareta parantos sajagi. Enggal Sang Radja Tjitjiptan nitih kareta. Karetana, koedana, pajoengna djeung saniskarana oge, hěnteu dipitjeun sasieur njples pisan kawas aleutan Radja Sadjati, noe dipikabita tea.

 ,,Enja ajeuna mah bagdja, diri aing," kitoe manah Radja

[ 62 ]Tjitjiptan, sadjĕroning pasiar sapandjang djalan, ningalikeun abdi-abdi anoe broekbrĕk tjaringogo sisi djalan, tanda ngahormat ka radja.

 Kotjap dina hidji poĕ, noedjoe panas mĕntrang-mĕntring, nja eta waktoe katiga bangĕt, rea soemoer noe saraat, taneuh bareulah, tatangkalan daoenna rontog djeung djoedjoekoetan gararing, harita Radja Tjitjiptan noedjoe angkat matjangkrama, sanadjan dipadjĕngan ge, anggěr bae ngaraos panas bajeungjang, malah tina teu kawawa, nĕpi ka kaloear lisan, kieu saoerna: „Panjana teh ari noe djadi radja mah, moal aja noe ngoengkoelan, moal aja noe ngagoda kana kasĕnanganana. Ajeuna kami asa dihina koe srangenge. Moega-moega kami sing djadi srangenge!”

 Repeh anoe sasaoeran, ngong deui bae soara tan katingalan, njĕboetkeun jen tinĕkanan panĕdja Radja Tjitjiptan. Sapada harita oge Radja Tjitjiptan geus malih warni, djadi srangenge, njaangan djagat.

 Srangenge tjitjiptan tea panasna taja tandingna, leuwih panas batan srangenge sadjati. Koe tina bangĕt panasna, tatangkalan djeung djoedjoekoetan geus garing kabeh. Sasatoan loba noe paeh. Djĕlĕma loba anoe sasambat, meh teu koeat nahan panas anoe sakitoe bangĕtna. Srangenge tjitjiptan toelej soesoembar: „Aing noe pangkawasana, ajeuna mah moal aja noe ngoengkoelan.”

 Sabot kitoe, oedjoeg-oedjoeg angkeub bae; langit pinoeh koe mega kandĕl, ngahalangan sorot srangenge, atoeh djagat teu katjaangan djeung hĕnteu kapanasan.

 Srangenge tjitjiptan napsoe, toe1oej ngarasoela deui, hajangeun djadi mega, hajangeun djadi pangkawasana, oelah aja noe mapakan. [ 63 ]

 Goesti Allah hĕnteu alang koemapalang ngalaksanakeun panĕdja oemat-oematna. Hĕnteu diĕngkekeun deui, ngan sakitjeup srangenge tjitjiptan leungit, ganti djinis, pindah roepa, djadi mega, toeloej bae soesoembar deui: ,,Hajoe ajeuna srangenge, oerang ngadoekeun karosan. Sorot andjeun rek dihalangan, nĕpi ka andjeun teu bisa njaangan djagat."

 Barang sorot panonpoë kahalangan koe mega, atoeh di doenja teh poëk, sarta teu lila gĕr hoedjan, moenggah ngagĕbret, nĕpi ka waloengan-waloengan tjaah, pakampoengan loba anoe katjaahan, imah-imah loba noe ambroek, sasatoan loba noe palid, tatangkalan loba noe roengkad; aja sawah noe kakara ditandoeran toeloej kakĕmbĕng. Ngan batoe anoe tareuas toer galĕde, anoe teu rengrot-rengrot teh, hĕnteu ngeser-ngeser atjan tina tĕmpatna.

 Mega tjitjiptan njahoeun, jen sanadjan hoedjan sakitoe rongkahna, nĕpi ka sagala roeksak, tapi batoe hĕnteu eleh, hĕnteu katitih djadjaten koe hoedjan. Koe sabab eta, mega tjitjiptan teu ngeunah hate, kieu pokna: ,,Rarasaan ngan aing noe pangöenggoelna, geus ngelehkeun panonpoë. Tapi ari dibandingkeun djeung batoe mah, batoe anoe leuwih rosa. Ajeuna mah leuwih hade aing djadi batoe bae."

 Pangĕrsa Anoe Kawasa, harita ge lĕs bae mega teh leungit, geus [ 64 ]djadi batoe, tingdjoengkiring sagěde-gěde gadjah, malah aja noe ngadjěgir sagěde pasir.

 ,,Ajeuna mah, omong batoe tjitjiptan teh, ,,moal aja anoe něndeng kana kadigdjajan aing. Nadjan hoedjan sakoemaha rosana ge, moal bisa ngeserkeun aing. Nadjan sorot panonpoě leuwih panas batan seuneu, aing moal něpi ka leeh. Tjinděkna mah euweuh deui anoe sakti manggoelangmanggoeling kawas aing."

 Hěnteu lila sanggeus batoe soesoembar kitoe, djol djělěma datang ka dinja, mawa linggis djeung paloe gěde. Pek batoe teh ditoegaran, ditampolan, toeloej dipekprek koe paloe djadi pirang-pirang sěmplek.

 Batoe tjitjiptan teu bisa madjar koemaha, ngan kari soeměrah bae ka toekang batoe. Rasa agoeng koemaloengkoeng, rasa gagah toer prkosa ajeuna leungit, kaganti koe toemarima, asrah soemrah ka Noe Ngajoega, noe ngadaměl boemi djeung langit katoet eusina. Harita manehna tobat djeung sasambat ka Goesti Noe Maha Agoeng, njoehoenkeun dikěrsakeun djadi deui toekang batoe.

 Soegih moekti geus pinanggih, beurat beunghar geus laksana, ngasaan djadi noe kaja, ngalakon boga karaton, toeloej djadi panonpoě, djadi mega, geus kitoe djadi batoe, antekna teh djadi toekang batoe deui. Ajeuna mah geus tara ngarasoela, djongjon bae oenggal poě noegaran batoe, sarta bari soedjoed soekoer, rehing ginandjar walagri, pantjadria hěnteu koerang, anggahota loemrah djeung djělema loba.

[ 65 ]

16. Sing ati-ati.

Di aloen-aloen rame baroedak keur langlajangan. Katjida maroeloekna langlajangan teh. Aja noe gĕde aja noe leutik, djeung bangoenna roepa-roepa. Katingalna di awang-awang katjida matak rĕsĕpna.

Toeh awaskeun noe keur njirorot! Pohara aloesna eta mah langlajangan teh. Ari itoe noe tingsiriwik di awang-awang, kawas anoe hiroep bae katingalna. Toeh itoe mah njirorot ka katoehoe, rek diadoekeun, tak siran. Geura awaskeun, mana noe meunang. Tatjan poegoeh-poegoeh atjan, geus gĕr baroedak teh soerak, maroekan ĕnja rek diadoekeun, sabab anoe njirorot teh njerenteng djiga rek njabĕt noe hidji deui, ari sihoreng ngan rĕrĕsepan bae, hĕnteu tĕroes diadoe[ 66 ]keun, toeloej bae eta doea langlajangan padjaoeh deui, dioeloer paloehoer-loehoer paantěng-antěng.

 Awaskeun ajeuna itoe, langlajangan noe panggědena! Djigana teh eta anoe pangwěwěgna. Diadoekeunana oge meureun pangmeunanganana, sabab noe bogana bisa pisan ngagělasna.

 Langlajangan noe pangloehoerna, barang rek aja noe njoesoel, djiga noe ěmboeng kasoesoel, lamoen moenggoeh djělěma mah, meureun kieu pipokeun dina hatena: „Wani silaing ka dewek? Heg rasakeun!”

 Gantjang anoe ti loehoer teh monteng, njabět moesoehna, bět bae běnangna pěgat, toeloej langlajanganana ngoleang. Gěr baroedak teh soerak bari toeloej laloempatan, ngoedag langlajangan leupas. Geus biasa di mana-mana, saha-saha noe pangheulana newak eta langlajangan, tah nja eta noe ngamilik.

 Sanggeus njabět moesoehna tea, langlajangan noe meunang teh dioeloer deui, toeloej ngapoeng moeloek pisan; geus antěng aja di loehoer, pek dangdak-dangdek ka kentja ka katoehoe, sěmoe noe neangan tanding. Lamoen eta langlajangan bisa ngomong, piomongeunana kieu meureun: „Horeng rěsěp, ari bisa ngelehkeun moesoeh! Tjik ajeuna saha deui noe piwanieun naradjang?”

 Sabot kitoe, langlajangan anoe sedjen noe rada leutik, noe meh saroea moeloekna, dideukeutkeun kana langlajangan noe leuwih gěde noe měntas diadoe tea, beuki lila beuki deukeut.

 Langlajangan noe dideukeutan, njereng bari siga nangtang: „Hiap ka dieu sing deukeut, ari wani mah ka dewek!”

 Moesoehna seot njirorot, děk běnangna paaděk djeung běnang noe hidji deui, sarta toeloej silih gesrek rada lila. Langlajangan anoe gěde bet bae běnangna pěgat, langlajanganana kokoleaban, lir anoe gěloet kapeupeuh, geus kitoe toeloej ngoleang kabawa angin, beuki djaoeh beuki [ 67 ]handap. Baroedak ngabroel laloempat patarik-tarik, bari teu wĕleh taranggah, ngoedag langlajangan leupas.
 Leupasna langlajangan teh njorang kawat, bĕnangna njangkol, toeloej langlajanganana njangsang, deukeut kana tihang kawat.

Citakan:Category handler

 Ari anoe pangheulana narĕpi ka lĕbah dinja, nja eta Bakri djeung Sarip. Nendjo langlajangan njangsang, pok Sarip ngomong: ,,Ah, dewek mah teu wani, naek kana tihang kawat, bisi tjilaka."
 Walon Bakri : ,,ĕnja euj bisi tjilaka. Poegoeh bae lĕbarna mah, langlajanganana aloes. Rek diadjoel, loehoer teuing, moal aja keur ngadjoelna."
 Baroedak sedjen djoeldjol daratong, ngagimboeng bari taranggah, pada hajang kana eta langlajangan, ngan teu aja noe wani naek. Tina bawaning kabita koe Janglajangan, hidji boedak ngaran sidik ngadeukeutan tihang kawat, arek naek.
 ,,Oelah, Sidik," omong Sarip, ,,bisi tjilaka."
 Walon Sidik: ,,Ah, tjilaka koemaha. Geus biasa dewek mah sok tataekan. Sing pageuh bae njĕkĕlna, moal ragrag."
 ,,Lain ragrag," tjek Sarip teh, ,,anoe koedoe di pikarisi koe oerang,
[ 68 ]nja eta bisi kawatna aja noe roeksak, listrikna keuna ka oerang, djadi tjilaka."

 Dasar si Sidik běděgong, api-api noe teu ngarti kana pangingětan Sarip, terekel bae manehna naek kana eta tihang kawat.

 Sarip teu wěleh risieun. Si Sidik dititah toeroen, tapi teu noeroet, toeloej bae manehna naek něpi ka loehoer. Barang rasana geus deukeut, pek manehna njoba-njoba ngahontal langlaj angan, teu kahontal, nja toeloej ngarangkek deui.

 Tarikning tjilaka, barang manehna ngarangkek, kěk leungeunna njěkěl kawat noe listrikan, manehna ngarasa njěri toer reuwas, kalesotan toeloej ragrag, ngagěboet kana taneuh, gawena nangkarak běngkang, geus teu bisa walakaja, da kapaehan.

 Sarip reuwaseun katjida, toeloej bae gěgěroan menta toeloeng.

 Wantoening di sisi djalan loba djělěma ngaliwat, harita ge geus ngagimboeng naroeloengan. Noe tjilaka diparajang, dibawa ka imah noe pangdeukeutna ka dinja. Bapa Sidik dibedjaan, jen anakna meunang tjilaka, ari Sarip gantjang indit neang doktor.

117. Sing ati-ati.

(Toeloejna).

 Si Sidik dipariksa koe doktor. Badjoena digoenting. Awakna toetoeng. Bapa Sidik oge njaksian, gawena ngan ngong bae, ningal kaajaan anakna sakitoe matak watirna.

 Bapa Sidik naros ka doktor: ,,Koemaha kintěn-kintěnna, poen anak teh tiasa katoeloengan?"

 Walon doktor: ,,Tatjan beunang ditangtoekeun, sabab hese noeloenganana ari keuna koe listrik teh, djaba ti eta, [ 69 ]taksiran, ieu boedak teh potong leungeunna djeung SoeKoena. Noe geus tangtoe, nadjan bisa tjageur deui ge, tangtoe lila kana pitjageureunana."

 Poë eta keneh oge salĕmboer eta geus pada njaho, jen si Sidik meunang tjilaka. Batoer-batoerna sakola, noe dareukeut imahna mah, aja noe neang. Lolobana njarahoeunana teh isoekna di sakola. Sanggeus baroedak arasoep, geus darioek sabangkoena-sabangkoena, pok goeroena sasaoeran: ,,Bareto geus ditjaritakeun koe dewek, jen lamoen naekan tihang kawat, sing ati-ati, lantaran aja bahjana, malah hadena pisan mah oelah bae naekan tihang kawat listrik teh. Tah ajeuna karasaeun koe si Sidik, ari teu noeroet kana papatah goeroe teh. Geura koe maraneh pikir, koemaha pirasaeunana. lamoen maraneh pribadi anoe tjilaka kitoe teh."

 Sasaoeranana kitoe, goeroe teh sĕmoe nalangsa, hawatoseun ka si Sidik. Sanggeus ngahoelĕng sakeudeung, pok sasaoeran deui: ,,Komo oepama si Sidik hĕnteu gantjang dipariksa koe doktor, bisa djadi tĕroes tiwas. Tapi doktor geus sasaoeran ka dewek, jen teu salĕmpang; noeroetkeun pamariksaan, si Sidik teh bakal bisa tjageur deui, nadjan lila ge."

 Toeloej goeroe njandak kapoer, bari miwarang baroedak, ngawaskeun ka andjeunna, rek ngagambar dina bor. Sanggeus andjeunna ngagambar anoe saroepa djamparing, pok sasaoeran deui: ,,Di tĕmpat-tĕmpat noe aja bahja listrik, sok diajaan gambar kilat, ti handapna dibangoen kawas djamparing, sarta di gigireunana aja toelisan, aksarana gĕde djeung tĕrang, noe oenina pisoensaeunana kieu:· Awas! saha-saha anoe njĕkĕl ieu kawat, tangtoe tiwas!.... Pirakoe maraneh tatjan narendjo gambar noe kitoe. Ajeuna geus pada ngarti, jen eta teh maksoedna ngabedjaan, jen di dinja aja bahja. [ 70 ]Poegoeh ari tjahjana mah, listrik teh loetjoe. Dewek katjida rĕsĕpna, lamoen ti peuting ditjaangan koe listrik. Tapi oerang oelah poho, lamoen koerang ati-ati, bisa djadi oerang tjilaka koe listrik. Saoepama rek langlajangan, leuwih hade neangan tĕmpat noe djaoeh kana kawat listrik. Djeung oepama aja langlajangan leupas, njangsang kana kawat

listrik, keun bae montong ditjokot, lantaran aja bahjana tea, komo deui lamoen tali langlajangan noe njangkol teh baseuh.

Di djalan parapatan aja adĕgan leutik ditembok, nja eta tĕmpat listrik. Tangtoe maneh sarerea geus narendjo. Geura ĕngke arilikan gambar kilatna.”

Sawatara boedak ngawalon: „Abdi mah parantos ningal, jaktos aja gambar kilatna.”

Goeroe: „Lamoen maneh ngaliwat ka lĕbah dinja, sarta parĕng tĕmpat listrik keur diboeka pantona, patjoean rek [ 71 ]tĕmpa-tĕmpo, soemawonna nĕpi ka asoep, sabab gĕde pibalahieunana. Tjindĕkna mah koedoe diingĕtkeun kieu: Listrik teh tjahjana aloes, ngan kawatna djeung tĕmpatna matak tjilaka..... Heg ajeuna oelah poho, sing ati-ati ngadjaga diri.”

Sanggeus diwoeroekan kitoe, baroedak teh koe goeroena dipiwarang ngalaloearkeun sabak, disina noeroetan gambar noe aja dina bor tea, kitoe deui toelisanana.

18. Nana djeung Didi tětělěponan.

Poë Ahad Nana keur leumpang di djalan, kabĕnĕran papanggih djeung Didi, toeloej Didi dititah miloe.

„Miloe ka mana?” tjek Didi.

Nana: „Ka dinja, ka toko Boelan!”

Didi: „Rek naon ka toko Boelan?”

Nana: „Rek menta kaleng oeroet tjisoesoe, doea.”

Didi: „Keur naon kaleng oeroet wadah tjisoesoe?”

Nana: „Rĕsĕp geura, rek njieun tĕtĕlĕponan.”

Didi: „Naha bisa, tĕtĕlĕponan koe kaleng kitoe?” [ 72 ] Didi teu pati ngartieun, atawa teu nganděleun, jen Nana bisaeun njieun tělělěponan.

 Nana: ,,Miloe bae ajeuna mah. Geura ěngke ge kaharti, ari geus aja mah tětělěponanana."

 Bring bae baroedak teh ka toko Boelan. Gantjangna Nana geus meunang doea kaleng noe dipikahajang tea, pamere noe boga toko, sabab manehna sok radjeun babantoe di toko Boelan.

 Bari mikeun eta kaleng, noe boga toko Boelan teh ngomong, pokna: ,,Ieu kaleng, pongpokna anoe ti Ioehoer geus dipitjeun, ngan tatjan diratakeun, di sisina aja keneh noe sareukeut. Sing ati-ati bae, bisi raheut. Rek dipake naon kaleng teh?"

 Walon Nana: ,,Rek njieun tětělponan."

 Noe boga toko Boelan: ,,Koetan bisa njieun tělěpon? Tjoba ngke pangnjieunkeun keur toko Boelan. Soegan bae beuki loba noe ngalanggan ka toko Boelan, ari aja tělěpon mah."

 Diwalon koe Nana bari seuri, kawas anoe saěnjana manehna bisa njieun tělěpon, pokna : ,,Mangga ěngke ngadaměl deui. Ajeuna mah bade ngadaměl keur abdi heula.

 Sanggeus Nana nganoehoenkeun, toeloej baroedak doea teh baralik, bari mawa kaleng kosong hidji sewang.

 Di deukeut imah Nana teh aja toekang kaleng, ngaran Pa Hoesen. Barang ras Nana ingteun ka Pa Hoesen, toeloej bae ngadjak ka Didi, rek ka toekang kaleng heula, ngadon ngikir kalengna tea, soepaja sisina rata pisan.

 Teu koengsi lila baroedak teh geus daratang ka toekang kaleng. Kasampak Pa Hoesen noedjoe digawe sakoemaha biasana. Kadjaba ti sok njieunan barang-barang tina kaleng, manehna teh sok ngahadean kareta měsin, nambal banna atawa naon bae. Nana sok minděng ka dinja, nendjokeun noe digawe djeung nendjokeun roepa-roepa pakakasna. Lamoen ban kareta měsin geus ditambal djeung geus dipasang, Nana hiděng sok mangngompakeun, soepaja ari [ 73 ]anoe bogana geus majar ka Pa Hoesen, ngan kari toempak bae, teu tjape ngompa heula. Lamoen Pa Hoesen geus reres baranggawena, sok toeloej meres-mereskeun paparabotanana, soepaja teu pabalatak. Nana oge sok ngabantoean.
 Barang ret oge ngareret ka Nana djeung Didi tea, gantjang bae Pa Hoesen nanja: ,,Rek naon baroedak ka darieu? Rek ngabarantoean digawe?"
 Walon Nana: .,Ajeuna mah sanes bade ngabantoean. Hajang ieu ngaratakeun sisi kaleng. Bade namboet kikirna."
 Pa Hoesen: ,,Diratakeun naonana?
 Nana: ,,Bade njieun tětělěponan. Ieu kaleng sisina rada sareukeut, djadi kĕdah diratakeun heula. Bapa oge meureum iasa ngadaměl tětělěponan."
 Pa Hoesen: ,Bisa soteh bapa mah ngomean kareta měsin. Njieun tělěpon mah, tatjan ngadjaran. Ari oedjang noeroetan saha, djeung koemaha njieunna teh ?"
 Nana ngomong bari nembongkeun kalengna: ,,Gampil, Pa,

[ 74 ]ngadamĕl tĕlĕpon mah. Ieu doea kaleng kosong kenging didamĕl tĕlĕpon. Nanging nja eta sisina kĕdah diratakeun heula.”

Eta kaleng diilikan koe Pa Hoesen sarta toeloej manehna njokot kikir djeung tjatjapit. Pek kaleng teh koe Pa Hoesen dikikir, nĕpi ka ratana pisan, moal matak raheut kana leungeun.

19. Nana djeung Didi tĕtĕlĕponan.
(Toeloejna).

Omong Pa Hoesen: „Geus rata ajeuna mah, geus moal matak raheut. Koemaha toeloejna, soepaja djadi tĕlĕpon?”

Nana: „Kĕdah diliangan heula ti handapna di tĕngah-tĕngahna pisan, keur ngalĕbĕtkeun tali.”

Didi mah olohok bae, hajangeun njaho, koemaha pidjadieunana. Pa Hoesen oge sĕmoe noe heran, sarta moedji dina hatena kana pakarĕpan Nana, boga niat njieun kaoelinan, noeroetan noe palintĕr, kaloearan sakola loehoer. Minangka nembongkeun kapanoedjoeanana, Pa Hoesen teh ngabanjolan ka Nana, ngomongna koe basa lĕmĕs: „Mangga djoeragan, ieu kaleng bade diliangan heula. Naon deui kahojong teh?

Gantjangna kaleng doea teh geus diliangan dina pongpokna, liangna leutik araloes.

„Mangga njanggakeun,” omong Pa Hoesen bari mikeun eta kaleng ka Nana, „ongkosna mirah, moeng sapoeloeh roepia.”

Ngawalonna Nana bari banjol deui, pokna: „Noehoen Pa. Ongkosna oge sĕdĕng, nanging ĕngke dibajarna, oepami parantos gadoeh gadjih.”

Pa Hoesen: „Mangga kitoe ge.” [ 75 ] ,,Aeh," tjek Nana, ,,teu atjan aja talina. Oepami bapa kagoengan tali alit anoe liat sarĕng pandjang, bade njoehoenkeun."
 ,,Ke oerang neangan heula," walon Pa Hoesen bari ngodjengkang kana pĕti wadah paparabotan. Kabĕnĕran tali teh aja, nja toeloej bae dibikeun ka Nana. Talina aloes toer pandjang.
 Kaleng noe hidjj ditjĕkĕl koe Nana, noe hidji deui koe Didi. Kitoe deui toengtoeng tali, anoe hidji koe Nana ditjĕkĕlna, toengtoeng anoe hidji deui koe Didi.
 Omong Nana: ,,leu toengtoeng tali oerang arasoepkeun kana liang kaleng, ari geus asoep, diboendĕlkeun toengtoengna pisan, soepaja hnteu ka loear deui. Kieu geura!"
 Pek koe Nana ditjontoan, soepaja ditoeroetan koe Didi. Atoeh Didi teu heseeun, gantjang manehna noeroetan, ngasoepkeun toengtoeng tali kawas Nana, sarta toeloej diboendĕlkeun.
 ,,Djoeng nangtoeng Didi," tjek Nana. ,,Eta kaleng tjĕkĕl sing pageuh. Ari rek ngomong, soengoet Didi koedoe ditom pokeun kana kaleng. Tapi lamoen rek ngadengekeun, kaleng teh koedoe ditoengkoepkeun kana tjeuli."
 Sanggeus kitoe, djoeng Nana oge nangtoeng, toeloej leumpang ka boeroean bari mawa kaleng noe hidji. Dina lĕbah kira-kira aja 20 m ti Didi, kakara Nana eureun, toeloej njanghareup ka Didi, bari pĕpĕta nitah Didi noengkoepkeun kaleng kana tjeulina.
 Gantjang Didi teh noeroetkeun parentah Nana, ari Nana nompokeun soengoet kana kalengna. Koe Didi kadengeeun, kieu tjnah: ,,Kadenge ka dinja, sora Nana?"

 Walon Didi: ,,Ĕnja, kadenge!"
[ 76 ]

Nana: „Teu katji gogorowokan, da ngomong biasa oge tangtoe kadenge!”

Didi ngomong sabiasa, sarta koe Nana kadenge, pokna: „Koemaha ajeuna, kadenge keneh?”

„Poegoeh bae kadenge mah.”

Sabot kitoe, Pa Hoesen panasaraneun sarta toeloej ka boeroean, hajangeun miloe njoba tĕlĕpon, njampeurkeun ka noe deukeut, nja eta Didi.

Didi ngasongkeun kalengna ka Pa Hoesen, bari nawaran, bisi Pa Hoesen rek nĕlĕpon ka Nana.

Sanggeus Pa Hoesen nampanan kaleng, pek nanja heula ka Nana: „Halo! halo! Ada toean Nana di sana?”

„Ada,” walonna, „siapa itoe?”

„Bapa Hoesen!.... Oerang ngomong Soenda bae atoeh, nja Na!”

„Mangga!”

„Bĕnĕr bisaan Nana teh. Kakara bapa mah manggih tĕlĕpon noe kieu. Lamoen dibikeun, ieu tĕlĕpon arek dibeuli koe bapa. Sapoeloeh roepia oge wani. Poenah bae hoetang Nana, teu koedoe dibajar deui.” [ 77 ] Walon Nana: ,,Ěngke bae tělěpon keur bapa mah, oerang neangan deui kalengna noe langkoeng sae. Nanging pangaosna oge langkoeng mahal. Ari hoetang mah, ngantosan gadjihan heula; ajeuna koeroe keneh."
 Nendjo Pa Hoesen mikeun deui kaleng ka Didi, Nana eureun nĕlĕponna, toeloej tali tělěpon teh digolongkeun kana kaleng, bari leumpang, njampeurkeun Didi. Ari geus deukeut ka Didi, kakara kaleng ti Didi ditampanan koe Nana.
 Sanggeus kitoe, bral Nana djeung Didi teh baralik babarĕngan. Ingětan Nana, ari geus datang ka imah, boeroeboeroe rek nembongkeun tĕlĕponna ka adina djeung bapana, djeung rek sina diadjaran.

20. Siraroe djeung rinjoeh.


 Wantji magrib keur moesim ngidjih, di imah Jahja geus njeungeut lampoe. Di emper hareupna tjaang, malah indoeng bapa Jahja keur darioek di dinja bari ngaromong. Ari Jahja harita teh keur noedoehkeun gambar-gambar dina boekoe ka adina awewe. Doemadakan oedjoeg-oedjoeg kĕploek bae aja siraroe moerag kana boekoe. Beuki lila beuki loba siraroe teh, tingkělěpĕr njalampeurkeun kana lampoe. Loba oge anoe geus lesot djangdjangna, tingkarajap dina medja.
 Boeroe-boeroe boekoe Jahja dilingkoepkeun, sieuneun kakotoran koe siraroe.
 Nani, adi Jahja tea, rěsěpeun pisan nendjo siraroe ngagimboeng, omongna: ,,Naha nja kang, mana loba-loba teuing siraroe teh!"
 Eta kabeh siraroe teh ti boeroean daratangna, tapi ari liangna mah, teu njaho di Iěbah mana, da harita di loear teh katjida pisan poěkna, moenggah měrědong. Karěsěpna siraroe teh sok njalampeurkeun noe tjaang.
[ 78 ] Indoeng Jahja boeroe-boeroe njokot baskom ditjaian, sok diteundeun dina medja, handapeun lampoe, soepaja siraroe anoe keur napoek lampoe teh, ana geus tjarapeeun hiběrna, maroerag kana tjai, djadi hěnteu tingkarajap ka manamana. Noe geus aja dina medja ge dikoempoelkeun, diasoepkeun kana baskom. Nani njokotan siraroe anoe geus euweuh djangdjangan, tingkarajap dina korsi, aja oge noe di handap

dina oebin. Anoe tingkělěpr keneh dikěpoekan koe Nani bari seuseurian, atoeh lalesot djangdjangna; siraroena ditjokotan hidji-hidji, dikětjěmploeng-kětjěploengkeun kana tjai dina baskom.

 Ari geus tjarang siraroe noe tingkl~pr sarta sakoeriling medja geus ngabajak djangdjang siraroe, bapa Nani nitah njapoekeun djangdjang siraroe ka Nani. ,,Meugeus," tjěnah, ,,oelah dikěpoekan teuing siraroe teh, sawareh mah sina baralik deui kana liangna, da harajangeun keneh hiroep." [ 79 ] Gantjang Nani njokot sapoe, seot-seot njapoekeun djangdjang siraroe, ngan sakeudeung geus bĕrĕsih. Geus kitoe Nani ka pawon djeung indoengna, rek ngagoreng siraroe. Memeh digoreng, siraroe noe dina baskom dipitjeunan djangdjangna heula koe Nani djeung indoengna.
 Jahja nanja ka bapana, nanjakeun siraroe teh naon asalna djeung ti mana daratangna, oedjoeg-oedjoeg napoek bae kana lampoe.
 Diwalon koe bapana, jen siraroe teh kalaloear ti djĕro taneuh. Lamoen rada tjaang keneh halibrna, sok loba noe disambĕran koe tjangkoerileung djeung saeran. Komo lalaj mah nĕpi ka poëk njalambĕran siraroe teh. Tjaktjak djeung bangkong oge sok ngahakanan siraroe.
 Omong Jahja: ,,Meureun seep siraroe teh sadajana, teu aja noe tĕras hiroep."
 ,,Hĕnteu kabeh," walon bapana, ,,aja oge noe salamĕt, teu katewak koe djĕlĕma atawa koe sasatoan. Tah eta anoe kitoe, sok toeloej pating karajap, njaroesoep ka noe boeni, arasoep kana liang-liang dina tatangkalan, aja oge noe ngaliang dina taneuh. Aja anoe kabĕnĕran siraroe djaloe papanggih djeung noe bikang, toeloej njoempoet babarĕngan. Heuleut sawatara poë siraroe bikang teh ngĕndog. Eta ĕndog-ĕndog tea ana mĕgar djadi rinjoeh, anoe katjida lobana."
 Jahja geus mindĕng nendjo rinjoeh, nja eta sato noe sok ngaroeksak, sok ngahakanan pagr atawa paparabotan tina kai djeung tina naon bae. Boekoe Jahja ge geus aja anoe roeksak dihakan rinjoeh.
 Bapa Jahja noeloejkeun tjaritana: ,,Noe toeloej ngaliang deui, siraroe teh kabeh geus teu djarangdjangan, djadi geus lain siraroe sanjana mah; eta kabeh teu eureun-eureun digawe, lantaran anak-anakna anoe sakitoe lobana, koedoe disadiakeun hakaneunana djeung imahna (hoenjoerna) koedoe tĕroes digĕdean, sangkan oelah nĕpi ka heurin. Kitoe deui imahna teh koedoe santosa, sangkan oelah aja moesoeh
[ 80 ]hoe bisa asoep, malah aja anoe ngadjaga sagala, minangka pĕrdjoeritna, nja eta rinjoeh pĕtingan, noe darĕdĕg djeung barĕdas.”

Barang tjarita bapana nĕpi ka lĕbah dinja, Jahja njĕlang heula ngomong, pokna: „Eta pangintĕn, anoe galĕde hoeloena, rinjoeh pĕrdjoerit teh.”

„Ĕnja noe kitoe,” walon bapana. „Ajeuna bapa rek nanja: Geus nendjo silaing rinjoeh bikangna, anoe sok disĕboet gateuw?”

Walon Jahja: „Gateuw, Pa? Anoe koemaha gateuw teh?”

Bapa Jahja: „Anoe disĕboet gateuw teh, nja eta rinjoeh bikang, panggĕdena di antara rinjoeh-rinjoeh anoe sakitoe lobana. Eta gateuw teu bisaeun ka mana-mana, sabab beurateun koe beuteung, da katjida bĕlĕnoena beuteungna teh, nĕpi ka aja anoe sagĕde ramo. Gawena teu aja lian djaba ti ngĕndog.”

Jahja njĕlang: „Atoeh teu bisaeun leumpang meureun, nja Pa?”

Walonna: „Bororaah bisa leumpang, ngeser ge tina ĕng-

Gateuw (digedekeun).

gonna teu bisaeun. Baranggawe kawas rinjoeh anoe sedjen, manehna mah hĕnteu ngimpi-ngimpi atjan. Tapi ngĕndogna moal aja noe ngoengkoelan. Ari mangsana ngĕndog teh, ĕndogna dina sapoë nĕpi ka 10 000 lobana.”

Omong Jahja: „Hajang abdi mah ningal gateuw.” [ 81 ] Bapana: „Lamoen hajang nendjo gateuw, koedoe ditoegar imahna, sabab tĕmpatna di djĕro pisan. Radjeun oge aja anoe noegar imah rinjoeh, ngahadja ngala gateuwna, djoealeun.”

 Jahja: „Saha noe sok meuli gateuw, Pa?”

 Bapana: „Oerang Tionghoa anoe sok meuli gateuw teh, keur oebar, bedjana mah.”

 Jahja ngomong sadjĕroning hatena, jen lamoen manggih hoenjoer, arek ditoegar, soegan bae aja gateuwan.

 Sabot kitoe Nani djeung indoengna tas ngagoreng siraroe tea, geus araja di emper deui, ngadarengekeun.

 Indoengna ngomong: „Kahajang teh hajam oerang ngĕndogna kawas gateuw. Meureun tereh beunghar, oerang.”

 „Hĕnteu loba kawas ĕndog gateuw oge,” tjek bapana, „kadjeun teuing. Asal tjoekoep dahareun oerang bae djeung pĕgarkeuneun sawareh.”

Rinjoeh.

 Sanggeus kitoe, Bapa Jahja noeloejkeun deui tjarita, pokna: „Ĕndog gateuw noe sakitoe lobana teh ana mĕgarnja djadi rinjoeh, lolobana rinjoeh pagawe atawa rinjoeh biasa, sawareh rinjoeh pĕrdjoerit. Sawatara tina rinjoeh

Rinjoeh pĕrdjoerit.

 noe loba tea ĕngkena nja djaradi siraroe. Tjindĕkna mah siraroe teh nja eta rinjoeh anoe djangdjangan. Djangdjangna

Siraroe.

lobana opat. Siraroe teh teu barĕtaheun di djĕro hoenjoer, lantaran heurin toer poëk. Tah kitoe sababna, noe matak sok kalaloear, halibĕran ka noe [ 82 ]tjaang, malah loba noe ngadareukeutan lampoe. Tadi geus ditjaritakeun, jen siraroe teh lolobana toeloej paraeh koe roepa-roepa bahja. Ngan saeutik anoe hiroep, soemawonna anoe bisa manggih djodo sarta tĕroes njieun imah djeung mĕntjarkeun toeroenan mah.”

„Hadena bae,” tjek indoeng Jahja, „siraroe teh loba noe paeh. Tjoba oepama teu kitoe, sakoemaha pilobaeunana rinjoeh, sakoemaha pilobaeunana barang noe roeksak dihakan rinjoeh.”

21. Laladjo balon.

„Tong, klontongtong klontongtong! Tong, klontongtong klontongtong!”

Tah sĕngke kolontong teh, geus kadenge kolontongna, beuki deukeut beuki tarik. Anggĕr oenggal poë Ahad eta sĕngke sok ngidĕr ka kampoeng-kampoeng, nabeuh kolontong sapandjang djalan, nawarkeun barang-barangna.

Noe araja di djĕro imah, komo awewe sok kalaloear, ngagimboeng ka eta sĕngke di boeroean, bari ngarilikan barang. Biasana sok aja bae noe barangbeuli, aja noe meuli balatjoe atawa mori, lolobana noe meuli ĕntjit.

Baroedak ge loba noe miloe ngaroeboeng, narendjokeun djeung ngadengekeun noe rĕboet tawar. Eta deuih, baroedak teh rarĕsĕpeun ngadengekeun sĕngke ngomong. Ari aja [ 83 ]

omonganana noe teu kaharli, koe baroedak sok disoerahan.

Sanggeus beres noe barangbeuli, barang-barang dagangan geus dientepkeun, sĕngke teh teu gantjang indit deui, tjapeeun keneh, kawasna. Bari ngaso, pok sĕngke teh njarita, kieu tjĕnah: „Di kota ala pasal malĕm. Banjak olang nonton sana. Olang bilang, ala balon besok.”

Di antara baroedak anoe ngaroeboeng, noe pangdeukeutna ka eta sĕngke, nja eta Oesman. Pok sĕngke teh nanja ka Oesman: „Balani loe toenggang balon?”

Dasar Oesman boedak kĕndĕl, ngadjawabna sĕmoe anoe sĕnang pisan, pokna: „Teu wani koe naon, ĕntjek!”

Saĕnjana Oesman teh tatjan njahoeun di balon. Kakara njahoeun soteh kapal oedara, da sok mindĕng aja kapal oedara noe ngaliwat ka loehoereun imahna. [ 84 ] Sanggeus sĕngke indit deui, malah geus djaoeh, Oesman balik ka imahna, ngadagoan bapana datang ti sawah, hajangeun geura njarita, jen di dajeuh rek aja balon, sakoemaha bedja ti sngke noe tadi.

 Pasosore bapana datang ti sawah, tatjan dioek-dioek atjan, gantjang bae Oesman ngomong, njaritakeun noe diadjam koe manehna ti tadi tea. Ari din a hatena mah Oesman teh rek menta idin ka bapana, soepaja manehna meunang ka dajeuh, hajangeun njaho di balon. Tapi hĕnteu wanieun pok, sieuneun disĕntak koe bapana, wantoening tjapeeun keneh.

 Kabĕnĕran bapana ge tatjan njorang nendjo balon; kieu omongna ka Oesman: ,,Hajoe isoek oerang ka dajeuh djeung bapa, da hapa ge oekoer kakara bedjana, tatjan njaho boektina balon."

 Sabot Oesman tjatjarita djeung hapana, indoengna aja di djĕro imah. Barang ngadenge, jen Oesman arek dibawa ka dajeuh koe bapana, indoengna teh ingteun ka si Mirah, adi Oesman, toeloej manehna ka loear bari nanja: ,,Ari si Mirah moal dibawa?"

 Diwalon koe Bapa Oesman: ,,Leutik keneh si Mirah mah, moal koeateun leumpang ka dajeuh."

 Indoengna nanja ka Oesman: ,,Ari oedjang, koemaha kirakirana, moal mopo?

 Walon Oesman: ,,Wah ĕma mah, pirakoe npi ka mopo ka dajeuh-dajeuh hae."

 Indoengna : ,,Nja soekoer ari koeat mah."

 Teu katjatoer ti peutingna, katjatoer isoekna bae. Rĕboenrĕboen Oesman djeung bapana geus arindit ka dajeuh. Laleumpangna meudjeuhna bae gantjangna, soepaja oelah mopo.

 Bareto keur leutik keneh, ĕnggeus Oesman teh ka dajeuh; harita mah di djalanna sababaraha kali Oesman digandong koe bapana. Djeung harita mah di dajeuh teh tatjan rame tjara ajeuna. [ 85 ]

 Oesman leumpangna teu djaoeh ti bapana, sieuneun kadoepak mobil, sabab harita mobil teh moenggah pating soeliwĕr, nja kitoe deui motor, komo kareta mĕsin mah. Oesman teh teu kaoer nĕngah, ka sisi deui-ka sisi deui. Radjeun oge manehna ngadoepak batoer, nĕpi ka dipolototan. Anoe toempak trem listrik ge nĕpi ka pasĕdĕk-sĕdĕk, tapi Oesman teu sieureun kadoepak trem, da tangtoe moal njimpang tina ĕrelna.

 Sapandjang djalan Oesman teu wĕleh loeak-lieuk, ngalieukan gĕdong-gĕdong noe araloes di kentja-katoehoe djalan, da di lmboerna mah euweuh gĕdong noe sakitoe araloesna. Ari ngaliwat ka Iĕbah toko gĕde, manehna sok ngadjak eureun ka bapana, hajangeun nendjoan heula roepa-roepa barang dagangan noe katjida araloesna. Handjakal teu bis lila nendjoan barang-barang teh, lantaran maksoedna oge ka dajeuh teh kapan rek laladjo balon, djadi sieun kaporotan. Nadjan taja noe noedoehkeun ge kana tĕmpat pasar malĕm tea, Oesman djeung bapana teu njasab, sabab noetoerkeun [ 86 ]djělěma loba, noe ngaleut sapandjang djalan, toer meh kabeh ngadjoegdjoeg ka pasar malěm.

 Sakoeriling těmpat ngapoengkeun balon teh djělěma geus ngagimboeng. Bapa Oesman neangan těmpat noe rada lowong, toeloej njělěnděp něpi ka aja di panghareupna, nja eta soepaja Oesman awas pisan kana balon, noe rek diapoengkeun tea.

 Oesman nendjo di těngah-těngah lapang aja anoe saroepa bal kompaeun, tapi katjida gědena, diloemboekkeun. Di antara djelěma-djělěma noe deukeut ka Oesman, aja saoerang noe ngomong ka batoerna, bari noendjoek kana barang noe koe Oesman keur dipikiran, nja eta balon arek dikompa, dieusian gas. Ari deukeut eta balon aja noe saroepa pěti galěde, nja eta wadah gasna.

 Teu koengsi lila broel sawatara djělěma ngabroel, rek ngeusian eta balon. Pipah karet tina pěti wadah gas teh disamboengkeun kana balon, kakara kranna diboeka, soepaja gasna kaloear, toeloej asoep kana balon. Eta balon beuki lila beuki kemboeng beuki gěde.

 Anoe nongton beuki loba, něpi ka pasěděk-sěděk sarta ngagoeroeh ngaromong. Tjek noe saoerang: „Sakeudeung deui oge balon teh pinoeh.”

 Tjek anoe saoerang deui: „Moal koengsi satěngah djam deui oge, ngapoeng balon teh.”

 Aja saoerang noe nanja: „Aja noe noempakan balon teh kitoe?”

 Oesman djongdjon ngawaskeun balon, teu ngomong naon-naon, da euweuh omongkeuneun. Barang geus pinoeh dieusi gas, djoeng balon teh ngadjoengdjoeng, beuki loehoer-beuki loehoer. Ti handapna rantěng tali, noe toengtoengna ditjangreud-tjangreudkeun kana karandjang gěde. Ari balonna ka loehoer, karandjang teh lalaoenan kabawa ngapoeng.

 „Tingali, bapa!” tjek Oesman, „aja noe asoep kana karandjang, doeaan. Rek mariloe ngapoeng, meureun.” [ 87 ]
[ 88 ]Sanggeus kitoe, aja deui doeaan noe miloe asoep kana karandjang, djadi djoemlahna opatan. Opatanana narangtoeng, njarĕkĕl kana biwir karandjang. Tali-tali eta karandjang pada njarĕkĕlan keneh koe sawatara djĕlĕma noe narangtoeng deukeut kadinja. Ari geus ngadjoengdjoeng karandjangna, di antara noe taroempak teh aja noe ngagĕro, pokna: „Lalesotkeun!”

Sanggeus pada ngalesotkeun, poeng balon teh ka loehoer, beuki loehoer-beuki loehoer.

Gĕr noe laladjo soerak, bari aja noe tinggaroepaj koe sapoetangan atawa koe topi. Noe taroempak balon oge nja kitoe, pating garoepaj.

Teu koengsi lila balon teh geus ngoengkoelan tatangkalan, sarta tĕroes ngapoeng bae. Di loehoer katĕbak angin, toeloej ngapoeng ka tĕbeh wetan, beuki djaoeh beuki leutik katingalna.

Noe nongton noengtoet baralik, tapi loba noe tĕroes ngawaskeun balon, nĕpi ka lĕs teu katembong, bawaning djaoeh. Geus kitoe mah kakara baralik kabeh.

Oesman djeung bapana ngarasa kĕsĕleun pisan, mĕntas narangtoeng sakitoe lilana, toeroeg-toeroeg ti imahna ka dajeuh teh laleumpang bae. Maranehna areureun heula di waroeng, ngadon barangdahar. Sanggeus rengse, djoeng arindit.

Daratangna ka lĕmboerna kira-kira bada asar, teu woedoe tjarapeeun, malah Oesman mah datang-datang doeg bae ngĕdĕng, ngaloengsar. Omongna djĕroning hate: „Ajeuna mah moal waka ka mana-mana. Isoek bae rek njaritakeun balon ka babatoeran.” [ 89 ]

22. Kabawa ngapoeng.


Isoek-isoek di boeroean sakola, memeh lotjeng geus loba baroedak anoe aroelin. Barang djol Oesman datang djeung nitah eureun aroelin, lantaran manehna boga pitjaritaeun, baroedak teh meh kabeh eureun oelinna, sarta njalampeurkeun ka Oesman, ngadarengekeun tjarita pěrkara balon. Njaritana mani galetjok, bari pěpěta něrangkeun ngapoengna balon. Di antara baroedak noe ngadengekeun, aja oge noe naranja pabědas-bědas, pada hajang didjawab pangheulana. Atoeh didengekeunana moenggah retjok baroedak teh, něpi ka goeroe ngěprokan oge, nandakeun geus tereh lotjeng, teu aja anoe ngadenge.

Koe goeroena baroedak teh dideukeutan djeung dipariksa: „Aja naon ieu teh mani ngagoeroeh?”

Loba baroedak noe kaget, dipariksa koe goeroe, ngan aja saoerang anoe njampeurkeun bari ngadjawab: „Poen Oesman noedjoe njarioskeun balon. Kamari manehna wangsoel ti dajeuh, ningal balon.”

„Enggeus bae heulaanan,” saoer goeroe. „Ěngke di djěro tjaritakeun, bari didengekeun koe bapa.”

„Keleneng,” lotjeng ditabeuh, gantjang baroedak ngaberes, soep arasoep ka kělasna masing-masing, gek darioek sabangkoena-sabangkoena.

„Tjoba Oesman,” saoer goeroe, „tjaritakeun deui, anoe geus ditjaritakeun bieu teh, di loear.”

Walon Oesman: „Kamari abdi ka dajeuh, ningal balon.”

Goeroe: „Njaho maneh, di mana ragragna tjěnah, balon teh?”

Oesman: „Teu těrang.”

Goeroe: „Bieu bapa meunang bedja, eta balon ragragna deukeut Soerabaja. Tapi bapa hajang njaho, naha Oesman awas pisan kan a balon teh?”

Oesman: „Kantěnan.” [ 90 ]Goeroe: „Tjoba atoeh maneh kana bor. Gambarkeun eta balon teh.”

Oesman kana bor, njokot kapoer, ngagambar balon. Ari geus anggeus, kakara manehna malik, njanghareup ka goeroena bari ngomong: „Teu tiasa ngagambarna abdi mah.”

Saoer goeroena: „Ah aloes sakitoe ge. Pek ajeuna tjaritakeun.”

Oesman: „Balon teh bangoenna boendĕr sapĕrtos bal, nanging ageung. Ti loearna nganggo rambang sakoerilingna. Eta rambang ti handapna rambaj talina sababaraha lambar, sarĕng tĕras ditali-talikeun deui kana karandjang tĕmpat noe toempak. Djadi eta karandjang teh ngagantoeng kana balon.”

Ngomongna kitoe, manehna teh bari noedoehkeun babagian gambarna tea, soepaja leuwih tetela. Sanggeus kitoe pek manehna njanghareup deui ka goeroe, bari rada imoet. [ 91 ]Goeroe: „Aloes, euj. Ngan handjakal, noe toempakna teu. digambar!”

Baroedak noe sedjen seuri, ngadengekeun saoer goeroena kitoe teh, bari harajangeun nendjo, koemaha hodjahna Oesman.

Oesman: „Teu tiasa, ngagambar noe toempakna mah.”

Goeroe: „Enja hese, ngagambar djělěmana mah. Sabaraha kabehna noe toempakna teh?”

Oesman: „Opatan.”

Goeroe teh angkat kana bor, miwarang dioek ka Oesman, pek gambar beunang Oesman teh koe andjeunna diteundeunan djělěmana opatan. Pok andjeunna sasaoeran: „Kitoe bae djělěmana mah, tong aloes-aloes teuing.... Ajeuna bapa arek ngadongeng, ngadongengkeun noe miloe ngapoeng djeung balon, tapi lain dina karandjang. Aneh geura, darengekeun.

Di hidji těgalan lěga, loeareun dajeuh, aja noe ngapoengkeun balon. Balonna gěde katjida, leuwih gěde batan balon anoe geus dilaladjoan koe Oesman kamari tea. Harita oge tjěnah, pirang-pirang anoe laladjo balon teh, leuwih loba batan noe laladjo balon djeung Oesman tea. Ti soeklakna ti sikloekna daratang ka eta těgal.

Balonna geus pinoeh koe gas, geus mělěndoeng, malah geus rada ka loehoer, tali-tali tjangtjanganana ngan kari doea noe pageuh keneh njalangreud kana patok, kitoe deuil tali djangkarna tatjan ditarik, djangkarna ge, nja eta djangkar beusi, nantjěb keneh kana taneuh. Karandjangna geus. měrěnah tjitjingna, malah noe toempakna oge, doeaan, geust rek arasoep kana karandjang, djadi geus dareukeut pisan ka dinja.

Sabot kitoe, boetbět tali anoe ditalikeun kana patok tea, parěgat doeanana, djadi ngan kari tali djangkar bae noe nahan kana balon teh. Bědas pisan tanagana eta balon narik djangkar, toeroeg-toeroeg nantjěbna eta djangkar teh [ 92 ]teu pati pageuh, atoeh ngan bolonjon bae djangkar teh ngabolonjon, toeloej ngangsar kababawa koe balon.

Noe laladjo paboeria, sarieuneun kasorang djangkar. Harita teh aja hidji boedak lalaki, laladjona panghareupna, pangdeukeutna kana balon. Rek njingkir teu kaboeroe, sabab djangkar něpi manten ka manehna, malah ngait kana saboekna, poeng bae boedak teh ngapoeng kabawa balon. Roroësan goegoerindjalan, hajangeun lesot, wěleh teu bisaeun lesot, ngan sakeudeung geus aja di awang-awang.

Waktoe rada handap keneh, loba anoe njalampeurkeun, rek ngarawel soekoe boedak, noe teu wěleh gěgěroan, toeloeng-toeloengan, tapi teu koengsi karawel, kaboeroe loehoer manten.

Eta boedak noe kabawa koe balon teh ngaranna Roesdi. Sanggeus manehna aja di loehoer, katjida lewangeunana, sieuneun ragrag. Pohara pageuhna njěkělna tali, sabab pikirna geus tangtoe rěmoek, lamoen ragrag teh. Ngapoengnal teu eureun-eureun, geus ngoengkoelan tangkal kalapa, malah leuwih loehoer deui.

Di antara djělěma-djělěma noe měntas laladjo tea, bari laleumpang rek balik, loba anoe teu wěleh soemoreang, teu wěleh tatanggahan, salempang koe si Roesdi, sabab tjěnah, oepama saboekna pěgat, geus tangtoe si Roesdi ragrag, da moal koeat lila njěkělan tali.

Sanggeus katjida loehoerna, balon teh katěbak angin ti beula hwetan, toeloej atoeh ngapoengna noedjoe ka koelon, těroes ngoelon ngaliwat loehoereun dajeuh djeung loehoereun. waloengan gěde. Di sisi eta waloengan kaběněran loba djělěma, gantjang maranel:na tanggah, narendjo boedak kabawa balon. Katjida maranehna teh risieunana, bisi eta boedak ragrag ka waloengan. Barang balonna geus něpi ka loehoereun peuntas ti ditoe, gěr maranehna soerak, sabab aja pangharěpan, eta boedak katoeloengan. Koeloneun eta waloengan aja pasawahan lega, djeung harita keur oesoem [ 93 ]

njamboet, djadi di dinja teh loba djĕlĕma noe keur njaramboet. Kabĕnĕran balon tea ngapoengna geus beuki handap. Noe keur digarawe kageteun, narendjo boedak kabawa balon, goejan-gajoen lir babandoel djam. Noe [ 94 ]ngarora, noe barědas soet-sot naroenda hantjana, sarta toeloej laloempatan ngaroedag balon, djeung teu wěleh njoba-njoba ngahontal soekoe boedak. Sanggeus djaoeh laloempatna djeung balonna geus handap pisan, noe pangdjangkoengna geus bisaeun ngahontal soekoe boedak, toeloej ditarik. Noe saoerang newak djangkarna, ari noe saoerang deui ngalesotkeun saboek si Roesdi tina djangkar, toeloej bae djangkarna dilalesotkeun, poeng balonna ngapoeng deui, da geus teu dibeungbeuratan. Ngapoengna ngaloehoeran bari těroes madjoe ngoelon, beuki lila beuki djaoeh, beuki leutik katingalna něpi ka lěs teu katembong.

Noe keur digawe di sawah, kabeh areureun sarta toeloej njalampeurkeun ka noe měntas ngawang-ngawang, harajangeun njaho, koemaha lantaranana, noe matak si Roesdi něpi ka kitoe. Tapi si Roesdi baloeas keneh, teu bisaeun njarita naon-naon, toeloej manehna digandong, dibawa ka saoeng bari pada ngabring-ngabring.

Sigěg si Roesdi noe geus salamět, noe keur diroeboeng-roeboeng di saoeng, dirioeng koe bangsa sorangan noe pada trěsna, noe pada wělas asih. Kotjapkeun indoeng-bapana noe keur prihatin toer ngarasa taja tangan pangawasa, geusan noeloengan anakna, gawena ngan tingharoelěng, djeung teu wěleh něněda ka Noe Kawasa, sangkan anakna salamět. Sabot kitoe, djol aja tatanggana mawa bedja, jen si Roesdi geus katoeloengan. Geus kitoe mah indoeng-bapa si Roesdi teh rada hegar pikiran ana, komo deui barang djol si Roesdi datang, dianteurkeun koe sababaraha djělěma noe hade hate toer teu pamrih diboeroehan, geus teu aja wiwilanganana bae soeka-boengahna, doeanana něpi ka ngoetjoer tjipanon. Pohara soeka-soekoerna ka noe noeloengan, djeung teu kendat toemarima ka Goesti Maha Kawasa.

Heuleut sawatara poë, waktoe oelin djeung babatoeranana, si Roesdi njarita kieu: „Basa mimiti kabawa ngapoeng koe balon, dewek gantjang moeka saboek, sangkan lesot tina [ 95 ]djangkar, tapi katjida pageuhna djeung balon kaboeroe loehoer, kk bae atoeh dewek teh njěkěl kana tali djangkar, něpi ka tipaparkět. Ti loehoer nendjo ka handap, katendjona taneuh teh beuki handap, padahal saěnjana mah balon anoe beuki loehoer. Naon-naon beuki leutik katendjona. Barang balon katěbak angin ti wetan, ngapoengna djadi ka koelon, tapi aneh, sakoer noe aja di boemi, tatangkalan, imah-imah djeung djlěma-djělma djiga laleumpang ka wetan. Dewek katjida lěwangna, geus asa gěboet bae ragrag ka taneuh. Komo barang aja di loehoereun waloengan, hate mani sěsěblakan, sieun ragrag ka waloengan, mangkaning dewek teu bisa ngodjaj. Sanggeus aja loehoereun sawah, karasa balon mimiti toeroen, djeung kadenge djělěma noe tinggorowok, nitah njkělan sing pageuh. Sawareh aja noe loempat ngaroedag balon, geus kitoe karasa aja noe njěkěl kana soekoe sarta ditarik ka handap, toeloej dewek pada noeloengan.

 Saoer goeroe: ,,Tah sakitoe dongengna, anoe kabawa ngapoeng teh. Ajeuna waktoe ngitoeng, pek sabakna kalaIoearkeun. Bapa rek noelis soealanana dina bor."


2 3. Ngala maoeng.


 Isoek-isoek indoeng si Itjih geus hoedang. Biasana wajal kitoe salakina sok geus datang ti pagawean. Ari harita, malah geus beurang diarěp-arěp teu datang bae, geus něpi ka poekoel doea teu ěmbol-ěmbol. Atoeh indoeng si Itjih teh beuki salěmpang hatena, bisi salakina tjilaka. Ari salakina tea pagaweanana sok ngadjaga pabrik goela oenggal peuting, ti poekoel gěněp sore něpi ka poekoel gěněp isoek, datangna ka imahna kira-kira satěngah toedjoeh. [ 96 ]Ari si Itjih, anakna, harita aja di sisi djalan deukeut imahna, němpo bapana maksoedna mah, tapi manehna ngan nendjo hidji lalaki manggoel patjoel djeung awewe saoerang tas ti pasar.

Teu koengsi lila bapa si Itjih geus katembong rěntang-rěntang ti kadjaoehan. Leumpangna teu pati gantjang, sabab bari ngomong djeung batoerna, doeaan. Gantjang bae. si Itjih teh gegěroan ka indoengna, njaritakeun bapana geus katembong.

Ari geus deukeut, geus rek asoep ka pakaranganana, bapa si Itjih kadenge ngomong ka batoer-batoerna tea, pokna: „Katjida pisan gědena maoeng teh, bedjana mah, pikasieuneun awewe. Lalaki ge anoe koerang wawanen mah, moal wani ngadeukeutan.”

Ngadenge salakina ngomong kitoe, indoeng si Itjih norodjol ti imahna, toeloej nanja ka salakina: „Pangdenge teh aja maoeng gěde. Di mana? Saha anoe sarieuneun teh?”

Walonna: „Awewe di kampoeng-kampoeng noe deukeut pabrik njararita, jen sieun maoeng noe geus ngarontok moending, nja eta meureun maoeng anoe minggoe toekang njered ěmbe goeroe sakola rajat tina kandangna.”

Indoeng si Itjih: „Paeh moendingna teh?”

Walonna: „Henteu paeh mah, da moending gěde djeung bědas, ngan poendoekna bae děwol djeung raget oeroet dikaoet.”

Si Itjih ngabirigidig bari pokna: „Ih sieun dikaoet maoeng.”

Tjek indoengna: „Poegoeh bae ěma ge sieun. Ajeuna mah ari ti peuting, oelah kaloear ti imah.”

„Enja,” tjek bapana, „oelah kaloear ti peuting. Lamoen geus beunang onaman maoengna, kaloear ti peuting oge teu naon-naon, teu aja pikasieuneun.”

Indoeng si Itjih: „Koemaha meunangkeunana ?”

Walonna: „Rek pada ngakalan bae. Akang oge isoekan teh moal balik isoek-isoek, rek ngiring djoeragan Adminis- [ 97 ]

tratir ngaronda kĕbon tiwoe. Bedjana di kĕbon tiwoe aja noe manggihan tapak maoeng. Lamoen ĕnja aja tapakna, rek toeloej neangan tĕmpat keur masang sĕnteg. Djoeragan Administratir hojongeun tingali, koemaha prakprakanana noe ngala maoeng. Ari tadi di sisi djalan akang sorangan nendjo tapak maoeng, sarta loba oerang kampoeng anoe dareukeut ka dinja njalampeurkeun, malah kokolotna oge dibedjaan. Eta kokolot geus loba loeang, geus njahoeun kana prakprakan noe ngala maoeng. Manehna ngadjak ka akang, rek ngintip maoeng. Akang geus sanggoep. Ajeuna ge ka imah teh hajang dahar heula bae. Ari geus dahar rek balik deui ka imah kokolot tea, arek badami.”

 Si Itjih kaget bari ngomong ka bapana: „Kade atoeh, bisi bapa dirontok maoeng.”

 Tjek bapana: „Lain ti beurang ngintip maoeng mah, ĕngke geus poëk. Ti beurang mah maoengna ge atoeh njoempoet, moal kapanggih.”

 Pasosore bapa si Itjih geus aja di imah kokolot tea, toeloej badami djeung sawatara djĕlĕma, sakoer noe djagdjag waringkas. Poetoesanana rek digawe babarĕngan djeung mandor kĕbon tiwoe, soepaja meunang pitoeloeng ti djoeragan Administratir.

 Peuting harita bapa si Itjih biasa bae ngadjaga di pabrik

KEIZER,Panggĕlar Boedi, I (Soenda). [ 98 ]goela. Ari isoekna tatan-tatan djeung djoeragan Administratir sarentjangna, djeung kokolot anoe tadi, katoet djělěma noe moendingna dirontok maoeng tea satatanggana. Sanggeus tarapti bring ngabring ka kěbon tiwoe, ka lěbah tapak maoeng, sarta di dinja geus njampak mandor djeung sawatara batoerna. Ti dinja bring deui kabeh ka těmpat moending, waktoe dirontok koe maoeng tea.

24. Ngala maoeng.

(Toeloejna).


Omong kokolot: „Engke peuting eta maoeng geus tangtoe datang ka ieu těmpat. Leuwih hade ajeuna bae masang sěnteg dina liliwatanana.” Mandor kěbon ngaroedjoekan, gantjang harita pakěpoek sabatoer-batoer, masang sěnteg.

Kokolot nanja ka babatoeranana, soegan aja noe daekeun ngorbankeun ěmbe. Kaběněran aja saoerang, toeloej bae indit heula ka lěmboerna, njokot ěmbe. Teu koengsi lila geus datang deui, gantjang ěmbena ditjangtjang dina sěnteg, dipake eupan. Eta ěmbe geus tangtoe teu eureun-eureun ěmbe-ěmbean, něpi ka kadengeeun koe maoeng anoe keur diarah tea. Sanggeus tarapti, bring sarerea baralik, ninggalkeun sěnteg.

Bapa si Itjih geus aja di imahna. Sanggeus ngaso pek njarita ka pamadjikanana, njaritakeun prakprakan masang sěnteg.

Si Itjih ge ngarěgěpkeun, malah nanja ka bapana: „Naha bapa make njangtjang ěmbe sagala? Karoenja atoeh!”

Walon bapana: „Teu karoenja, da moal dihakan maoeng. Ditjangtjang soteh, soepaja disada bae ěmbe-ěmbean, toeloej disampeurkeun maoeng. Memeh něpi kana ěmbe, maoeng keuna kana senteg, beunang bae.” [ 99 ] Katjarita sanggeus poĕk, oerang kampoeng noe imahna rada deukeut kana tataheunan tea, ngadarenge sora ĕmbe teu eureun-eureun, malah sanggeus rada peuting ngadarenge

maoeng ngagaoer ti kadjaoehan. Awewe djeung baroedak mah mani ngahephep, teu batoek-batoek atjan, bawaning sieun.
 Ngadenge ĕmbe disada, ngan teu poegoeh lĕbah-lĕbahna,
[ 100 ]maoeng teh dangdak-dengdek njidikkeun sora ěmbe ti mana djolna. Ari geus sidik, pek ngagaoer nandakeun atoh, toeloej loempat ngadjoegdjoeg ka těmpat ěmbe. Barang geus deukeut kana ěmbe, pek ngaděpěng rek ngarontok, gadjleng loentjat njorang sěnteg, ngagaoer ngarasa njěri, tapi lapoer teu bisaeun lesot deui.
 Oerang kampoeng geus ngartieun, jen maoeng beunang, tapi taja noe wani tandang, tjaritjing bae di imah, ngadagoan beurang heula.
 Isoek-isoek ngabroel djělěma, ngadjoegdjoeg tataheunan. Mandor kěbon djeung kokolot teu tinggaleun, kitoe deui djoeragan Administratir aja di dinja toer njandak bědil.
 Djoeragan Administratir: „Ka darieu! koempoel di dieu! Maoeng teh oerang bedil!”
 „Mangga djoeragan,” tjek mandor kěbon, „kade njalahan!”
 „Dor!” maoeng teh dibědil. Ngan sakali, geus ngadjoengkěl, toeloej kokosehan, hos paeh.
 Gěr djělěma saroerak bawaning soeka. Bangke maoeng digarotong, toeloej dibarawa balik.


25. Boedak rahoel.


 Mardjoeki djeung adina, ngaran Joesoep, dina hidji poë njaraba ka akina, ngadon oelin. Barang maranehna něpi ka boeroean imah akina, si Mardjoeki ngomong kieu ka adina: „Tjoep! ari Oetjoep rěsěp ka si Oetja, noe gěde bohong tea? Akang mah teu rěsěp!”
 Akina aja di pipir. Ngadenge sora intjoe-intjoena, akina. teh norodjol ka boeroean bari nanja ka Mardjoeki, pokna: „Saha noe gěde bohong teh, Ki?”

 Walonna: „Batoer sakola abdi, si Oetja. Madjarkeun
[ 101 ]teh, bapana ngabědil maoeng, kenging toedjoeh. Pirakoenja aki, něpi ka kenging toedjoeh onaman. Abdi mah teu pěrtjaja.”

 Akina: „Kieu eta teh saěnjana mah. Bapa si Oetja teh miloe moro djeung paninggaran, saroea bae djeung goendal. Anoe ngabědil maoeng teh paninggaran, maoengna beunang. Ari bapa si Oetja mah teu meunang maoeng teu naon. Boa teuing manehna mah njěkěl bědil ge, tatjan ngarasa.”

 Mardjoeki: „Tah geuning kitoe, Oetjoep. Noe matak geus. oelah pěrtjaja bae ka si Oetja teh.”

 Joesoep: „Da koering ge teu pěrtjaja. Ongkoh omongna mah, pangpintěrna ngitoeng oge ngan manehna sorangan, tapi tjek batoer-batoerna sakělas, hěnteu.”

 Mardjoeki: „Heran akang mah, make si Oetja disarěboet boedak pintěr. Naon kapintěranana?"

 Joesoep: „Eta deuih omongna mah, manehna teh pintěr ngodjaj, teu aja noe ngelehheun.”

 Mardjoeki seuri ngagakgak, toeloej ngomong: „Eta meureun pedah Oetjoep leutik keneh, tangtoe nganděl kana omongna, maroekanana mah.”

 Akina: „Koedoe awas ari ka babatoeran teh, oelah gantjang-gantjang pěrtjaja. Aki ge baheula keur leutik keneh boga batoer toekang rahoel, tapi sanggeus kabitoer, manehna kawiwirangan, sarta djadi rada ngoerangan rahoelna.”

 Mardjoeki: „Koemaha aki tjariosna? Hajang těrang.”

 Akina: „Hajoe atoeh darioek heula.”

 Sanggeus darioek di těpas, pok akina njarita: „Baheula,” tjěnah, „aki keur boedak, boga hidji batoer oelin, ngaranna Djoemad. Manehna bogaeun panah pamere lantjeukna. Eta panah koe manehna ngahadja ditembongkeun ka aki djeung babatoeran, bari ngadjak papanahan. Aki kabita katjida koe panah teh, da araloes djamparingna djeung gondewana oge. Atoeh aki saakal-akal, hajang boga panah. Teu koengsi lila geus boga, malah batoer-batoer oge geus barogaeun, sarta [ 102 ]kabeh hajang geura papanahan djeung si Djoemad, noeroetan para djoeragan noe sok papanahan di aloen-aloen.
 Ari dina hidji poë, měněran poë Saptoe, boebar sakola, bari leumpang ngaromong djeung babatoeran, njaritakeun hal panah tea. Tjek si Djoemad: ,,Hajoe ěngke pasosore oerang papanahan, nja euj."
 ,,Hajoe" djawab sarerea.
 Pasosore panah aki diilikan, bisi aja karoeksakanana djeung bisi kotor. Hěnteu aja karoeksakan naon-naon, wantoening barang anjar, ngan rada kotor. Gantjang bae koe aki dikěboetan, dioesapan něpi ka leutjir. Kira-kira bada asar, aki disampeur koe batoer-batoer tiloean, toeloej babarěngan opatan ka imah si Djoemad. Kasampak manehna keur ngadagoan bari njěkěl boelan-boelan nja eta kěrtas karton roebak, di těngahna dihideungan diboeleud-boeleud, gědena sagěde sen, toeloej dikalang koe opat kalang, di antara oenggal kalang diteundeunan angka: 2. 4. 6. djeung 8. Ari lěbah noe boeleudna angkana bodas, nja eta angka 10. Boelan-boelan teh sok disěboet oge ělesan. Koe si Djoemad eta ělesan dipakoe kana tangkal asěm di sisi djalan. Toeloej sarerea moendoer tina eta tangkal asěm, něpi ka djaoehna kira-kira aja 30 m, nja eta těmpat měntang.

 Sanggeus měrěnah darioek, si Djoemad koe aki disina ngamimitian měntang. Manehna teh sěgoet pisan, sila anděkak, kěk leungeunna noe kentja kana gondewa, noe katoehoe njěkěl djamparing, geus dipasang njěnjěpna kana tali gondewa, toeloej ngetjeng, měměněr djamparingna kana ělesan.

 Sabot kitoe, djol aja noe datang ti toekangeun si Djoemad, sarta kěk njěkěl leungeun katoehoe si Djoemad, lěbah peupeuteujanana. Atoeh kageteun
[ 103 ]


katjida si Djoemad teh, djamparingna nĕpi ka moerag. Manehna tanggah, nanggahan noe njĕkĕl tea. Horeng djoeragan Mantri Poelisi, anoe njĕkĕl teh.
 Saoer djoeragan Mantri Poelisi: „Teu kapikir koe silaing, jen papanahan di djalan aja bahjana?”
 Walon si Djoemad bari ngadegdeg: „Da abdi mah ngetjeng ĕlesan.”

 Mantri Poelisi: „Poegoeh bae ngetjeng ĕlesan tea mah. Tapi lamoen aja djĕlĕma noe ngaliwat kana toekangeun ělesan, teu moestahil djamparing silaing keuna ka eta djĕlĕma. Lain di dieu papanahan mah, di aloen-aloen kapan tĕmpatna.”

 Gantjang bae si Djoemad ngalaan ĕlesan, sarta toeloej sarerea ka aloen-aloen. Di dinja ĕlesan teh dipasang dina tangkal tjaringin anoe katjida gĕdena. Toeloej aki sabatoer-batoer, djoemlah limaan, diadjar mĕntang. Lila pisan teu aja noe bisa keuna, aja noe toena aja noe langkoeng, tĕgĕsna teu nĕpi kana ĕlesan atawa liwat tina ĕlesan.
[ 104 ]

26. Boedak rahoel.

(Toeloejna).


 Sabot aki sabatoer-batoer keur rame papanahan di aloen-aloen, djoeldjol baroedak, lolobana baroedak leutik, narendjokeun. Ari anoe panggědena di antara eta baroedak, nja eta tatangga aki, ngaranna Oemar, gědena pantaran aki, oemoerna ge babad bae djeung aki teh. Tapi aki arang oelin djeung manehna, da teu rěsěp, sok rahoel djeung poepoedjieun.
 „Toeh si Oemar mawa panah,” tjek batoer aki noe saoerang.
 „Ĕnja bae,” tjek si Djoemad, toeloej nanja ka si Oemar, pokna: „Rek miloe papanahan, euj?”
 „Ĕnja euj,” walon si Oemar, „dewek oge dipangmeulikeun. panah koe bapa. Aloes geura panah dewek mah, moal aja noe mapakan. Lamoen dewek miloe měntang, silaing kabeh areleh.”
 Aki sabatoer-batoer taja noe ngomong. Diarantěp bae si Oemar teh.
 Anoe kagiliran měntang, Tabrani. Sarerea ngawaskeun kana djamparing Tabrani. Saeutik deui pisan kana ělesan. Měntangna koerang tarik.
 Toeloej aki kagiliran. Katjida aki ati-atina. Ngetjengna rada lila, teu boeroe-boeroe měntang. Sanggeus kira-kira měněran, kakara djamparing aki dipěsat. Bělěsoer! tjěplok! Geus nantjěb kana ělesan. Baroedak rame saroerak, bari tinggorowok: „Dalapan! dalapan!” Meh bae keuna kana poeseur.

 Omong si Oemar: „Ajeuna dewek, tarendjokeun. Silaing mah tatjan barisa ngetjeng, djeung leungeunna koerang tětěg. Geura dewek taroeroetan. Ari měntang, pikiran koedoe mantěng. Moal barisa ngelehkeun ka dewek mah.”
[ 105 ]

Diwalon koe si Djoemad: „Tong waka kokotak kitoe, tjoba bae geura mĕntang, rek ditendjokeun.”

Pek si Oemar teh mĕntang. Baroedak patinggarĕro: „Lapoer! lapoer!” tjĕnah, „teu keuna!”

Si Oemar rada eraeun, tapi dasar loba akal, roepa-roepa bae ekolna. Pokna: „Sakali deui geura. Sageuj teu keuna kana poeseurna ajeuna mah.”

Pek manehna mĕntang deui, tapi lapoer deui bae. Gĕr atoeh disaleungseurikeun koe aki sabatoer-batoer. Koemaha ajeuna api-apina? Kieu tjĕnah: „Hĕnteu era disaleungseurikeun oge, da ngahadja teu dikeunakeun. Moen teu ngandĕl, tarendjokeun sakali deui.”

Katiloe kalina mĕntang, kabĕnĕran djamparingna keuna kana poeseur pisan. Djoeng bae manehna nangtoeng, tatandang djeung toetoendjoek, njĕboetkeun barodo keneh ka aki djeung batoer-batoer.

„Moen niat mah,” omongna teh, „ti tadi ge tangtoe keuna. Naon hesena ngetjeng kana poeseur? Geuning sakali ge keuna, dewek mah.” [ 106 ]Katjida keuheulna sarerea ge, ngadenge si Oemar soesoembar kitoe, malah aja saoerang noe ngomong kieu: „Lain pintěr eta mah, kaběněran bae, keuna soteh. Tiloe kali měntang, sakali keuna bae mah teu aneh.”

Ditambahan koe si Djoemad: „Enja meureun, rasana mah pangpintěrna, dasarboedak poepoedjieun.”

Harita teh aki mah tjitjing bae, bari mikiran piakaleun, sangkan si Oemar oelah poepoedjieun teuing. Sanggeus repeh batoer-batoer, kakara aki ngomong: „Enggeus ah, oelah ngaramběk, da ěnja geuning si Oemar mah djamparingna keuna kana poeseur. Pěrtjaja dewek mah, jen ěnja pintěr, si Oemar teh. Ajeuna oerang boektikeun deui. Si Oemar koedoe měntang lima kali, sarta oenggal-oenggal měntang koedoe keuna kana poeseur.”

„Moal bisa!” tjek si Djoemad, „pek tarohan!”

„Bisa !” tjek aki, „moal boeroeng bisa Oemar mah. nja Mar?”

„Poegoeh bae,” tjek si Oemar, „naon hesena?”

Gěr baroedak sareuri deui, sarta aja noe ngomong kieu: „Gampang ngomong mah. Moal bisa lima kali měntang, noron keuna kana poeseur.”

„Oelah ngahampas,” tjek aki, „geura tarendjokeun bae. Engke oge kaboektian, jen hěnteu kalah ka omong, Oemar mah. Moen teu bisa noron lima kali keuna kana poeseur, lain lalaki, djeung panahna koedoe dibikeun ka Tabrani. Hajoh geura saraksian!”

Si Oemar ditanja heula koe aki: „Sanggoep Oemar? Lamoen sanggoep, pek lampahkeun. Tapi lamoen teu kadjadian, panah silaing dirampas koe dewek, rek dibikeun ka Tabrani.”

Walon si Oemar: „Moal ěnja henteu sanggoep Panahna ge pek bae didjieun taroh. Ngan ieu djamparingna geus barengkok. Dewek rek neangan heula djamparing noe araloes. Lamoen geus aja, hajoe oerang papanahan deui. Tjarek wiwilanganana, ti peuting ge dewek mah moal moendoer.” [ 107 ] Diwalon deui koe aki: ,,Djamparing dewek araloes keneh, da kabeh ge anjar keneh. Pek bae rek dipake mah."

 Si Oemar hĕnteu ngadjawab, gawena teh balaham-belehem bae, malah nĕpi ka samar tjabak, barang manehna diseungseurikeun koe si Djoemad djeung Tabrani, bari pokna: ,,Teu sanggoep mah teu sanggoep bae, tong loba ekol."

 Tjek noe saoerang: ,,Atoeh da djengkol, noe aja oesoemna soteh, ekol mah taja oesoemna."

 Pok aki ngomong deui: ,,Ngawiwirang, si Djoemad djeung Tabrani mah. Lamoen Oemar teu wani mĕntang, ngaranna ngeok memeh dipatjok. Djeung oepama teu wani teh, lain lalaki."

 Si Oemar panas hatena, toeloej bae sila andĕkak. Djamparingna dibatĕkan, padahal kabeh ge lĕmpĕng, taja noe bengkok. Geus kitoe kakara mĕntang. Bari mĕntang pikirna ka mana-mana, atoeh djamparingna oge bĕlĕsoer deuibĕlĕsoer deui, taja noe keuna. Aja anoe ka kentjaeun, aja anoe ka katoehoeeun lesan. Ngan anoe kalimana diketjengna ĕnja-ĕnja, bari ngagiligkeun pikir, hajang keuna.

 ,,Tjĕplok," djamparingna keuna kana kalang angka, opat.

 Gĕr baroedak sareuri, malah aja noe djidjingklak, bawaning soeka.

 Aki njampeurkeun ka Oemar bari api-api karoenja. Kieu tjek aki: ,,Handjakal nja Mar. Tapi teu soesah Oemar mah, menta deui bae panah ka bapa, moal boeroeng dipangmeulikeun. Ieu mah sial panah teh, geus milik Tabrani meureun."

 Kawasna mah, manehna teh ngarasa era, komo atoeh da teu wĕleh diera-era koe baroedak. Sanggeus panahna dibikeun ka Tabrani, mengpeos manehna balik. Tabrari bae anoe oentoeng mah. [ 108 ]Ti harita si Oemar aja meueusan, hěnteu poepoedjie un teuing. Ari papanggih djeung aki atawa djeung babatoeran, radjeun oge manehna ngamimitian rek agoel-agoel, sok tara kěbat, da kaboeroe diingětan: „Naha silaing geus poho basa papanahan tea?”

27. Pada meunang sapěrtiloena.


Kotjapkeun djaman baheula di nagara Barbari aja djělěma sakoerěn, imah-imah katoet anakna doeaan. Maranehna katjida sangsarana, imahna ge leutik djeung boetoet. Babakoena noe matak kitoe, lantaran lalakina djompo, geus lila teu bisaeun oesaha geusan njiar sandang-pangan. Njatoe sore teu isoek teh lain babasan, malah radjeun sababaraha poë maranehna teu barangdahar.

Tina kitoena, beuki lila lalakina beuki teu aja tanaga, toengtoengna něpi ka adjal. Sanggeus maot salakina, awewena tambah-tambah prihatinna, kapaksa koedoe oesaha sabisa-bisa, sangkan manehna katoet anak-anakna oelah něpi ka langlajeuseun. Anakna anoe lalaki, si Karim, sok ngabantoe ka indoengna, tapi tatjan bisa nalang mah, da manehna tatjan sawawa, oemoerna kakara opat wělas taoen.

Oepana nendjo indoengna sěmoe noe soesah, komo lamoen nendjo adina awewe tjeurik hajangeun dahar, si Karim teh sok ngarasa nalangsa pisan, malah dina hidji poë, waktoe indoengna ngaringkoek, boga kanjěri, pok si Karim teh ngomong ka indoengna: „Koering rek ka leuweung, ěma, rek ngala soeloeh. Ari geus meunang soeloehna, toeloej ka dajeuh. Engke tina ladang soeloeh rek meuli beas atawa kadaharan.”

Walon indoengna: „Ongkoh djaoeh leuweung teh, oedjang. Koemaha kira-kirana, moal tjape?” [ 109 ]

 Tjek si Karim: „Ah moal, soegan, rek ditjoba-tjoba bae.”

 Sanggeus kitoe, si Karim indit ka pawon, njokot bĕdog djeung njokot tali, sarta toeloej indit ka leuweung.

 Leumpangna teu eureun-eureun, atoeh teu sabaraha lilana geus nĕpi bae ka sisi leuweung. Koe sabab ngarasa tjape manehna teu oedjoeg-oedjoeg digawe, neangan heula tĕmpat keur ngaso. Kabĕnĕran aja tangkal kai gĕde, daoenna gomplok, di handapna ioeh djeung lenang. Toeloej manehna ka dinja, njarande kana eta tangkal kai, karasana ngeunaheun pisan, tĕmpatna bĕrsih djeung angin ngahiliwir. Sabot kitoe, manehna teh panganggoeran, leungeun kentjana soesoer-sasar kana taneuh. Ari pek teh wĕt aja noe ngagindjĕl teuas-teuas, diilikan sihoreng ali, noe ngagindjĕl teh. Eta ali koe manehna dihantĕm diilik-ilik, tetela watangna ĕmas, matana intĕn.

 Si Karim ngomong sadjĕroning hate, pokna: „Ali mahal ieuh. Koemaha noe matak aja di dieu? Lamoen koe aing didjoeal, toeloej doeitna dibikeun ka indoeng aing, tada teuing atoheunana, sabab ladang ieu ali tjoekoep pikeun meuli beas djeung sagala kapĕrloean. Komo lamoen digolangkeun, indoeng aing geus teu koedoe balangsiar ka mana-mana. Aing tiloean moal nĕpi ka koerang dahar.”

 Karim tĕroes lalamoenan, roepa-roepa tjita-tjitana, lamoen manehna geus boga doeit loba, ladang ali. Kana niat noe tadi [ 110 ]mah, nja eta rek ngala soeloeh tea, lat bae poho. Djol deui pikiran sedjen. Eta ali moal waka didjoeal koe manehna, soepaja indoengna ngilikan heula, da ĕngke ge koe indoengna tangtoe didjoeal. Ras manehna ka adina, nĕpi ka imoet sorangan, asa geus prak nendjo adi ngaleuseuhan badjoe djeung samping, beunang mangmeulikeun indoengna, tina ladang ali tea.

Tjindĕkna mah si Karim teh teu toeloes ngalana soeloeh, toeloej bae gagantjangan balik deui ka imahna. Ali timoe ditjĕtjĕkĕl, diasoepkeun djeung leungeunna kana sakoe, bawaning sieun leungit.

Barang datang ka imahna, kakara nĕpi ka boeroean ge, gantjang si Karim ditanja koe indoengna, pokna: „Naha geuning geus datang deui? Hĕnteu toeloes ngala soeloeh teh? Atawa teu aja soeloehna di leuweung?“

Walonna: „Teu toeloes ngala soeloeh teh, ĕma. Kaboeroe nimoe noe kieu!” Ngomongna teh sĕmoe noe boengah katjida, bari ngasongkeun ali tea ka indoengna. Koe indoengna ditampanan. Pek ali teh diilik-ilik bari sĕmoe anoe heran, omongna: „Ali timoe ieu teh?”

Walon si Karim „Soemoehoen.”

Indoengna: „Timoe ti mana?”

Si Karim: „Ti handapeun tangkal kai.” Barabat koe manehna ditjaritakeun, jen sadatangna ka leuweung, manehna ngarasa tjape, toeloej ngaso handapeun tangkal kai, tĕmpat nimoe eta ali. Lalamoenanana oge ditjaritakeun, noe matak manehna teu toeloes ngala soeloeh teh, nja eta hajang geura mikeun ali.

Sanggeus tamat si Karim njaritana, pok indoengna ngomong deui: „Ieu ali katjida pisan aloesna. Hĕnteu loba ali noe matana intĕn sagĕde kieu. Noe bogana oepama lain pangagoeng, tangtoe noe beunghar. Tapi ĕma teu wĕleh heran, koemaha noe matak ieu ali aja di handapeun tangkal kai.”

Si Karim: „Doeka atoeh, koering ge hĕnteu ngarti.” [ 111 ]Eta ali hantĕm bae diarilikan koe si Karim indoengna katoet adina.

Omong si Karim: „Hargana ge meureun mahal, nja ĕma?”

Walon indoengna: „Poegoeh bae. Moal koerang tina sareboe roepia.”

Si Karim: „Djoeal bae atoeh ĕma. Ongkoh oerang geus teu boga dahareun, djeung teu boga papakean.”

Tjek adina: „Koering mah hajang sĕlop bordel djeung badjoe salahi.”

Walon indoengna: „Ieu ali lain noe oerang. Ěma mah moal wani-wani ngadjoeal.”

Si Kadir: „Kapan ali timoe, ĕma. Naha make teu wani ngadjoeal?”

Indoengna: „Ĕnja ali timoe, tapi tangtoe aja noe boga. Meureun katatang-koteteng noe bogana teh neangan ali. Sakoemaha piatoheunana noe boga, saoepama ieu ali dipoelangkeun koe oerang ka manehna.”

Ti dinja eta ali teh diampihan koe indoeng si Karim hade-hade, diasoepkeun kana tjĕpoek leutik, oeroet wadah koeraboe. Si Karim mah toeloej bae indit deui ka leuweung rek ngala soeloeh. Sadjalan-djalan manehna sĕmoe noe soesah, mikiran ali, lantaran indoengna hĕnteu wanieun ngadjoeal, atoeh manehna mah komo, djeung ka saha ngadjoealna. Padahal lamoen didjoeal, geus tangtoe pajoe mahal. Kitoe bae pikiran si Karim sapandjang djalan.


28. Pada meunang sapĕrtiloena.

(Toeloejna I).

Ti peutingna, waktoe si Karim geus ngĕdĕng, njileuk bae teu wĕleh mikiran ali. Ari geus peuting katjida, kakara bisaeun sare sarta hĕnteu koengsi lila manehna ngimpi. Di [ 112 ]ditoena teh beunghar manehna teh. Indoengna djeung adina marake papakean noe araloes. Dina medja geus sadia kadaharan noe ngareunah, beunang ngambĕngkeun, malah aja sangoe koneng diwadahan koe basi gĕde, direndengkeun djeung opor hajam kabiri. Barang manehna rek dahar, geus ngoembah leungeun, djeung geus ngalaan sangoe koneng kana tobas, njah manehna teh njaring, koredjat hoedang, pek loeak-lieuk, malah toeloej ngilikan medja, teu aja naonnaon, tetela ngimpi.

Sabot kitoe, si Karim teh ngadenge noe tinggrĕndĕng ngomong di djalan. Koe tina panasaraneun, bisi aja naon-naon, toeloej bae ka loear ti imahna. Manehna nendjo djĕlĕma tiloean keur ngaromong di sisi djalan. Noe saoerang goelang-goelang. Teu pati djaoeh ti dinja aja boedak lalaki batoer oelinna. Katendjona sidik pisan, da harita teh keur tjaang boelan.

Djoet si Karim teh toeroen, hajangeun njaho, djĕlĕma-djĕlĕma tea keur njararitakeun naon. Sidik pisan koe si Karim kadengeeun, noe saoerang kieu pokna: „Koering oge daek neangan.”

Ditembalan koe noe saoerang deui, pokna: „Neangan mah daek ieu-ieu ge, da tangtoe meunang gandjaran. Ngan ka mana neanganana, da leungitna teu kanjahoan di lĕbah mana. Di djalan gĕde mah geus wĕleh teu kapanggih. Sapandjangnga djalan gĕde geus ditjoba diteangan koe pirang-pirang djĕlĕma, tapi nja eta kalah ka tjape.”

„Nja eta atoeh,” omong goelang-goelang teh, „noe matak soesah oge, sabab teu tangtoe di lĕbah mana leungitna. Di leuweung ge leungitna teu moestahil. Ongkoh mangkoekna Kangdjĕng Radja teh angkat ka leuweung, ngĕrsakeun boeboedjĕng.”

Disamboeng koe noe saoerang, nja eta toekang ngala soeloeh, jen manehna sanggoep ka leuweung, rek neangan lelepen Radja, asal aja noe noedoehkeun, di lĕbah mana Kangdjĕng Radja lĕbĕtna ka eta leuweung. [ 113 ] Tjek goelang-goelang: „Tjoba bae, soegan silaing aja milik; sabab dawoehan Sang Radja, saha-saha noe manggil eta lelepen sarta datang ka karaton, njĕmbahkeun eta barang poesaka, bakal dipaparin gandjaran dinar ĕmas 30.”

 Barang si Karim ngadenge tjarita kitoe, ratoeg hatena, aja reuwas aja atoh. Toeloej manehna kĕkĕtĕjĕpan asoep deui ka imahna. Indoengna digeuingkeun djeung toeloej ditjaritaan, jen ali timoe manehna tea, kagoengan Radja. Rada pandjang njaritana, nja eta asal manehna ngimpi, toeloej hoedang, ngadenge noe keur ngaromong, toeloej ka loear ti imah, nĕpi ka sidik kadenge, jen lelepen Kangdjĕng Radja, noe katimoe koe manehna teh.

 Omong indoengna: „Soekoer bae, ari geus sidik onaman, jen kagoengan Kangdjĕng Radja. Oerang boeroe-boeroe bae sanggakeun ka andjeunna.”

 Si Karim: „Ĕnja ma, boeroe-boeroe bae sanggakeun, soepaja koering meunang gandjaran.”

 Indoengna: „Tjek saha, bakal meunang gandjaran ?”

 Si Karim: „Kapan goelang-goelang tea noe njarita, jen noe nimoe lelepen Sang Radja teh, bakal dipaparin gandjaran 30 dinar mas.”

 Indoeng si Karim njokot tjĕpoekna. „Alina dikaloearkeun, pek diilikan heula, geus kitoe toeloej dibikeun ka si Karim, bari pokna: Heh ieu, lelepen Kangdjĕng Radja teh. Ampihan masing hade. Isoekan isoek-soek koedoe disanggakeun koe maneh pribadi ka Kangdjĕng Radja.”

KEIZER, Panggĕlar Boedi, I (Soenda).       8 [ 114 ]Sapeuting harita si Karim teh ngagoeligah, hajangeun geura beurang. Atoeh isoek-isoek pisan hoedangna. Sanggeus mandi djeung geus dangdan, manehna amit ka indoengna, rek ngadeuheus ka karaton. Koe indoengna dipapatahan, koemaha pta-ptana djeung anggah-oenggoehna anoe ngadeuheus ka Radja. Babakoena koedoe awas ka anoe koedoe dihormat, anoe aja di karaton, oelah tjologog. Djeung oepama dipaparin gandjaran koe Kangdjng Radja, oelah poho, njĕboet sĕmbah sewoe noehoen.

Papatah indoengna kitoe koe si Karim dingĕt-ingĕt pisan. Memeh indit bismilah heula djeung menta didoakeun ka indoengna.

Lelepen Kangdjĕng Radja teh koe si Karim ditoengkoes koe lamak bĕrsih, toeloej diasoepkeun kana sakoe, tapi bari ditjĕkĕl bae, da bisi leungit.

Tjek indoengna: „Heg koe ma didoakeun sing salamĕt. Djeung lamoen ĕngke meunang gandjaran doeit, sing atiati, oelah nĕpi ka leungit.”


29. Pada meunang sapĕrtiloena.

(Toeloejna II).


Si Karim geus meunang bedja, di mana pĕrnahna karaton Radja, nja eta tjĕnah, di kidoeleun aloen-aloen. Gĕdongna gĕde toer agreng, dikoerilingan koe taman. Sakoeriling patamanan dipagĕr-tembok; ti hareupna, deukeut aloen-aloen tea aja lawang, pantona beusi, sarta deukeut eta lawang aja gardoeh tĕmpat pĕrdjoerit ngadjaga. Noe ngadjaga taja towongna, baganti beurang-peuting, nja eta prdjoerit noe njĕkĕl bĕdil.

Sadatangna ka dajeuh, tĕroes bae si Karim teh ngadjoegdjoeg ka karaton. Barang nĕpi ka deukeut lawang, tĕroes [ 115 ]bae manehna rek moeka panto, lantaran ingĕtanana, moal aja noe ngalarang, komo ieu mah rek njanggakeun barang timoe, kagoengan Radja. Teu njahoeun, jen sakoer noe rek asoep teh koedoe menta idin heula ka djaga lawang.

 Ari kĕk teh manehna njĕkĕl panto, dibetahkeun koe djaga lawang, omongna: „He boedak, rek ka mana? Hajoh balik, teu meunang asoep!”

 Si Karim: „Oepami kenging, abdi bade lĕbĕt ka karaton.”

 Djaga lawang: „Teu meunang! Hajoh balik!”

 Si Karim: „Abdi teh bade ngadeuheus ka Kangdjĕng Radja.”

 Djaga lawang: „Moal ĕnja aja boedak rek ngadeuheus ka Kangdjĕng Radja. Kangdjĕng Radja mah tara dideuheusan koe boedak. Hajoh balik! Teu meunang asoep!”

 Si Karim: „Abdi bade ngadeuheus teh, aja pĕrloe, nja eta bade njanggakeun lelepen, kagoengan Kangdjĕng Radja.”

 Djaga lawang teh kageteun, teu ngandĕleun kana omongan si Karim, tapi ajeuna mah rada leuleuj, omongna: „Tjoba ngilikan, bisi lain lelepen Kangdjĕng Radja.”

 Gantjang bae lelepen teh koe si Karim dikaloearkeun tina sakoena, ditembongkeun ka djaga lawang. [ 116 ] Koe djaga lawang diilik-ilik; sanggeus sidik, jen lelepen Kangdjĕng Radja, kakara ngomong deui: „Ĕnja bae kagoengan Kangdjĕng Radja. Meunang ajeuna mah maneh ngadeuheus ka karaton. Tapi kieu: Engke maneh meunang gandjaran. Tah tina eta gandjaran, keur dewek sapĕrtiloena. Lamoen teu kitoe, ieu panto moal diboeka. Taja deui noe meunang moeka panto, lian ti dewek. Heg ajeuna timbang-timbang, mikeun gandjaran sapĕrtiloena ka dewek atawa balik ka imah.”

 Si Karim rada bingoeng; teu njanaeun, jen bakal rewel kitoe. Tapi lamoen teu disanggoepan, geus tangtoe manehna teu bisa asoep ka karaton. Nja tinimbang djaoeh-djaoeh pandjang gagang mah, toengtoengna noeroetkeun bae kana pamenta djaga lawang teh. Tapi dina hatena mah si Karim teh kieu pokna: „Lamoen aing meunang 30 dinar, djadi meureun 10 dinar keur djaga lawang. Atoeh indoeng aing ngan kabagean 20 dinar. Karoenja.”


30. Pada meunang sapĕrtiloena.

(Toeloejna 111).


 Geus kitoe mah djaga lawang teh kakara moekakeun panto bari si Karim dititah asoep. Pangira manehna teh ngan kari asoep bae ka karaton, euweuh deui noe ngadjaga. Ari sihoreng, di djĕro teh aja deui pagĕr tembok, lawangna kawas noe tadi, pantona beusi, toer aja noe ngadjaga.

 Barang nĕpi ka eta lawang, si Karim ditahan deui koe noe ngadjaga, teu meunang asoep.

 „Maneh teu njaho?” tjek djaga lawang, „jen teu meunang aja noe asoep ka karaton? Hajoh balik!”

 Tjek si Karim: „Abdi teh bade ngadeuheus ka Sang Radja, malah parantos diidinan koe djaga lawang kahidji.” [ 117 ]Djaga lawang: „Kadjeun teuing diidinan koe djaga lawang kahidji oge, tapi lamoen teu diidinan koe djaga lawang kadoea, maneh moal bisa asoep. Hajoh balik.”

Koe si Karim ditjaritakeun, jen maksoedna ka karaton teh, nja eta rek njanggakeun lelepen, kagoengan Kangdjĕng Radja.

„Tjoba ngilikan,” tjek djaga lawang, „lamoen ĕnja lelepen Kangdjĕng Radja, meunang maneh ngadeuheus ka karaton.”

Sanggeus ngilikan lelepen, djeung geus sidik, jen lelepen Kangdjĕng Radja, djaga lawang djadi marahmaj, ngomongna leuleuj, pokna: „Oentoeng, oedjang, tangtoe ngke digandjar koe Kangdjĕng Radja. Ajeuna kieu: Koe lantaran oedjang moal bisa asoep, lamoen panto hĕnteu diboeka koe bapa, djadi lamoen hajang asoep, koedoe aja panarima ka bapa, nja eta koedoe mere sapĕrtiloena tina gandjaran. Ari oedjang ĕmboeng roegi mah, lapoer, moal dipangmoekakeun panto.”

Koe si Karim geus kapikir, jen manehna kapaksa koedoe noeroetkeun sapamenta djaga lawang. Toeloej manehna njanggoepan, jen rek mikeun sapĕrtiloena tina gandjaran.

Gantjang pantona diboeka, sarta toeloej si Karim asoep, bari ngomong sadjĕroning hatena: „Djaga lawang noe kahidji sapĕrtiloe, djaga lawang noe kadoea sapĕrtiloe, djadi djoemlah doea pĕrtiloe. Atoeh ngan sapĕrtiloena, bagian indoeng aing.”

Sadjĕroning mikir kitoe, tĕroes si Karim teh leumpang bari toengkoel. Ari tanggah, bĕt geus aja deukeut karaton. Rada kaget manehna teh, sabab tadina kakara ngadenge bedjana bae, ari ajeuna nendjo pribadi, horeng kitoe karaton teh, latarna marmĕr, tihang-tihangna diaer-emas, dina tembokna loba pigoera djeung eunteung gĕde. Medja-korsina araloes djeung harerang. Lampoena rantoej gogojotan.

Geus kapikir koe si Karim, jen teu meunang oedjoeg-oedjoeg asoep bae ka karaton, da dinja aja deui djaga lawang noe katiloe. Memeh ditanja koe djaga lawang, boeroe-boeroe [ 118 ]si Karim ngadeukeutan bari naros sarta hormat, pokna: „Poentĕn djoeragan, bade toemaros, koemaha kenging abdi ngadeuheus ka Kangdjĕng Radja?”

Djaga lawang ngadjawabna sĕmoe kaget, pokna: „Noe meunang ngadeuheusan teh, ngan prijaji pangkat loehoer. Boedak mah hĕnteu meunang. Naon pĕrloena, maneh ngadeuheus ka Kangdjĕng Radja?”

Walon si Karim: „Noe mawi bade ngadeuheus, margi abdi gadoeh pĕpĕndakan. Tjariosna Kangdjĕng Radja kaitjalan lelepen. Manawi bae noe kapĕndak koe abdi teh kagoengan Kangdjĕng Radja. Bilih hojong ningalian, mangga ieu lelepenna.”

Ngomongna kitoe, si Karim teh bari ngodok lelepen tea tina sakoena sarta toeloej diasongkeun ka djaga lawang katiloe. Sanggeus diilikan, eta lelepen dibikeun deui koe djaga lawang ka si Karim, bari omongna: „Enja bae lelepen Kangdjĕng Radja. Lamoen ĕngke koe silaing disanggakeun, tangtoe silaing meunang gandjaran ti Kangdjng Radja. Tah tina eta gandjaran, koe silaing koedoe dika-dewekkeun sapĕrtiloena. Lamoen sanggoep, heg koe dewek dipangmoekakeun panto. Lamoen teu sanggoep, leuwih hade balik deui, da moal aja noe mangmoekakeun panto, ari lain dewek mah.”

Omong si Karim dina hatena: „Lapoer atoeh, oepama ditoeroet teh, aing hĕnteu kabagean. Tapi oepama teu noeroet, nja moal bisa asoep, moal katingali-tingali atjan koe Kangdjĕng Radja. Ari aing geus katingali onaman, soegan bae andjeunna aja piwĕlasna ka aing, da bedjana adil pisan Kangdjĕng Radja teh.”

Rada lila si Karim teh ngahoelĕngna, mikiran piakaleun. Hantĕm bae dipikir diboelak-balik, dibeuweung dioetahkeun. Taja deui piakaleunana lian ti koedoe noeroetkeun kana eta pamenta djaga lawang. Gantjanging tjarita bae, pamenta djaga lawang teh geus disanggoepan koe si Karim, sarta [ 119 ]manehna geus asoep ka karaton, malah geus dioendjoekkeun ka Kangdjĕng Radja.

Panto kamar panglinggihan Kandjĕng Radja diboekakeun. Si Karim rada ngarendjag djeung ngahoelĕng sadjongdjongan, kaget koe kaajaan kamar djeung eusina noe sakitoe araloesna, marakbak matak serab. Kangdjĕng Radja noedjoe linggih dina korsi, majoenan medja.


31. Pada meunang sapĕrtiloena.

(Toeloejna IV).


Sanggeus ditimbalan, kakara si Karim asoep bari ngahormat ka Kandjĕng Radja, noeroetkeun papatah indoengna tea, basa rek indit ti imahna. Kangdjĕng Radja ningali tindak-tandoek si Karim kitoe, sĕmoe wĕlaseun, sarta enggal bae mariksa: „Saha maneh teh?”

Walonna: „Abdi goesti, poen Karim.”

Sang Radja: „Maneh datang ka dieu teh, rek ngadeuheusan ka kami?”

Si Karim: „Dawoeh goesti.”

Sang Radja: „Naon pikarĕpeun maneh?”

Pok si Karim oendjoekan, ngoendjoekkeun lampahna ka leuweung tea, rek ngala soeloeh. Ari di leuweung ngioehan di handapeun tangkal kai, nĕpi ka nimoe lelepen. Ti peutingna ngadenge noe njararita, jen noe kaitjalan lelepen teh Kangdjĕng Radja. Satamatna pioendjoekna, lelepen teh dikaloearkeun tina sakoena, bari toeloej disanggakeun ka Kangdjĕng Radja.

Lelepen teh ditampi koe Kangdjĕng Radja sarta tĕras ditingalian bari mesem, dawoehanana: „Maneh teh boedak bageur, njaah ka kolot, daek oesaha keur indoeng djeung keur adi. Djeung kami atoh katjida, sarehna maneh geus [ 120 ]

datang njanggakeun ieu ali. Ari kami noe matak njaah kana ieu ali, lantaran barang poesaka. Lamoen teu kapanggih deui, tangtoe djadi kasoesahan ka kami. Kabĕnĕran maneh noe manggih, da oepama kapanggih koe djĕlĕma djahat mah, tatjan tangtoe ieu ali kapimilik deui koe kami.”

 Sang Radja liren sakĕdap, kawas aja noe digalih. Geus kitoe ngadawoeh deui, dawoehanana: „Meureun maneh geus ngadenge, jen anoe manggihan ali sarta datang ka karaton njanggakeun ali ka kami, bakal digandjar. Ke oelah waka balik, ngadagoan gandjaran tea.”

 Si Karim: „Dawoeh goesti, pĕrkawis eta, abdi goesti parantos ngoeping. Nanging manawi kawidian, abdi goesti gadoeh pioendjoek.”

 Sang Radja: „Pioendjoek naon? Pok kadinjah!” [ 121 ]Si Karim: „Sangět panoehoen, soepados dampal goesti aja sih tjitěrès, kěrsa masihkeun gandjaran noe 30 dinar ěmas tea ka poen biang. Doepi abdi goesti pribados soemědja njoehoenkeun gandjaran sanes.”

Sang Radja ngaraos heměng, dawoehanana: „Taja halangan, dinar ěmas noe 30 tea dipasrahkeun ka indoeng maneh, minangka gandjaran kasatiaan djeung kadjoedjoeranana. Ari maneh hajang meunang gandjaran naon ?”

Si Karim: „Panoehoen abdi goesti, soepados abdi goesti mah digandjar rangket bae 30 kali.”

Sang Radja: „Pangdenge teh, njoehoenkeun gandjaran rangket 30 kali?”

Si Karim: „Dawoeh goesti, teu pindo daměl.”

Sang Radja minděl, ngamanahan panochoen saroepa kitoe. Těras neuteup ka Si Karim, bari lahirna: „Djadi maneh teh teu hajang doeit, ngan hajang dirangket bae 30 kali?”

Si Karim: „Dawoeh goesti. Malah noe disoehoenkeun teh, rangket noe rosa, sanes rangket noe biasa.”

Sang Radja: „Eta panoehoen teu beunang dilaksanakeun, sabab anoe dirangket mah lain digandjar, pingaraneunana dihoekoem. Tjoba ajeuna těrangkeun, naon sababna noe matak maneh njoehoenkeun gandjaran rangket?”

Koe si Karim dioendjoekkeun, jen djaga lawang noe tiloe pada menta sapěrtiloena tina gandjaran. Koe manehna geus disanggoepan, lantaran lamoen teu kitoe, tangtoe manehna teu meunang asoep ka karaton.

Tamat si Karim oendjoekan, enggal Sang Radja ngadawoeh: „Kaharti ajeuna mah.”

Harita keneh Sang Radja njaoer goelang-goelang, sarta kieu dawoehanana: „Goelang-goelang! gantjang maneh njaoer pěrdjoerit noe djaga lawang tiloeanana. Kitoe deui toekang ngarangket sakitan di pangberokan koedoe disaoer, sakalian mawa pangrangket. Eta kabeh koedoe kaïringkeun koe maneh ajeuna.” [ 122 ] Teu koengsi lila goelang-goelang teh geus datang deui, ngiringkeun djaga lawang tiloean djeung toekang rangket.

 „He djaga lawang tiloean!” dawoeh Sang Radja. „leu boedak geus oendjoekan ka kami, jen maraneh tiloean geus marenta masing-masing sapěrtiloena tina gandjaran, anoe bakal katarima koe ieu boedak ti kami. Kalakoean pěrdjoerit saroepa kitoe tangtoe djadi matak goreng kana ngaran kami, djeung matak goreng kana ngaran nagara katoet bangsana.”

 Djaga lawang noe tiloean moenggah asa teu beungeutan, bawaning isin koeRadja. Gawena taroengkoel bae bari ngadegdeg.

 Dawoehan Sang Radja deui: „Ajeuna kami rek ngaboektikeun kas anggoepan ieu boedak, nja eta ngabagikeun gandjaranana ka maraneh tiloean, masing-masing pada meunang sapěrtiloena. Ari woedjoedna gandjaran, lain dinar ěmas 30, tapi marga panoehoenna ieu boedak, nja eta gandjaran rangket, djoemlah 30 kali. Těgěsna maneh tiloean masing-masing rek dirangket 10 kali sewang, sakoemaha noe dipenta koe maraneh ka ieu boodak.”

 Pěrdjoerit noe tiloean teh asa nintjak asa hěnteu, bawaning isin koe Radja sarta era koe si Karim, toeroeg-toeroeg narendjo toekang rangket mawa hoë sagěde nanahaon.

 Ret Sang Radja ngalirik ka toekang rangket, miwarang ngarangket djaga lawang noe tiloean, saoerangna sapoeloeh kali, ngarangketna koedoe satakěr tanaga.

 Koemaha toeloejna ari si Karim?

 Sanggeus djaga lawang tea dirangketan sapoeloeh kali sewang, toeloej bae si Karim balik, mawa dinar ěmas 30, gandjaran ti Sang Radja. Datang-datang ka imahna, gěbro bae dinar ěmas teh dipasrahkeun kabeh ka indoengna. Heuleut sawatara poë aja oetoesan Sang Radja ka imah si Karim, nja eta ngěmban timbalan, soepaja si Karim disakolakeun. Ongkos-ongkos sakolana djadi tanggoengan nagara. Indoeng [ 123 ]si Karim katjida atoheunanana, kitoe deui si Karimna, sakolana soehoed djeung sarěgěp pisan, ngestokeun kana sagala piwoeroek goeroe.

 Gantjanging tjarita bae, si Karim teh sakolana oenggal taoen naek kělas, něpi ka tamatna pisan, malah meunang poedjian istimiwa.

 Heuleut sawatara taoen si Karim geus didjěněngkeun, djadi prijaji di karaton, toer pangkatna saloehoereun djaga lawang noe tiloe tea, anoe bareto njoesahkeun ka manehna, basa rek ngadeuheus ka Sang Radja, njanggakeun lelepen poesaka tea.

[ 124 ]

32.Boedak teuneung.


 Poě Ahad isoek-isoek baroedak lalaki di desa Kaliděrěs geus ngaloearkeun moendingna tina kandangna, digiringkeun ka pangangonan. Sadjalan-djalan moending teh teu kaoer laleumpang, da bari njaratoean, teu kaop manggih djoekoet di sisi djalan. Moending-moending teh geus sawatara poë ngalanggoer, sabab noe ngagarap sawah geus rengse, geus teu koedoe make moending.

 Sawareh mah moending teh ditaroempakan, sarta sapandjang djalan noe rata baroedak teh sěmoe soeka boengah pisan, njongtjlo dina tonggong moending djeung bari tětěmbangan.

 Ari něpi ka pangangonan, panonpoë geus rada loehoer, toeloej baroedak teh toeroen tina moendingna, nareangan pangeureunan, sabot moending njaratoean. Roepa-roepa kasoekaan baroedak teh, aja anoe tataekan, aja anoe neangan dahareun, bongborosan atawa boeboeahan, aja oge noe tjaritjing di handapeun tangkal kai, ngobrol atawa ngadongeng. Anoe rěsěp kana wajang sok njaritakeun lalakon wajang, malah aja noe noeroetan dalang sagala. Sabot kitoe hěnteu poho maranehna ngadengekeun sora kolotok moendingna, bisi djaoeh teuing njampalna. Djeung deui maranehna teh apaleun pisan kana sora kolotokna masing-masing. Djadi lamoen aja sora kolotok noe djaoeh, maranehna njaho bae, moending saha anoe geus djaoeh njampalna, toeloej dioedag, disina balik deui.

 Beuki lila beuki panas, djeung moendingna njatoena geus sareubeuheun, sarta geus meudjeuhna ngarinoem, toeloej boedak noe saoerang ngagěroan ka batoer-batoerna, pokna: „Batoer-batoer! geus panas ieuh; moending harajangeun nginoem. Hajoe oerang ka waloengan!“

 Teu koengsi lila baroedak teh toeloej ngagiring moendingna [ 125 ]ka waloengan. Eta waloengan pĕrnahna djaoeh ti pangangonan, tapi moending kabeh oge geus apal kana djalanna, da geus maranti. Bawaning koe hanaangeun, moending teh paheula-heula harajangeun geura datang ka waloengan, kadengena tingkěrěbět tingbělěsk, aja oge noe ngabigbrig.

 Noe pangheulana indit ti pangangonan, moending si Djapar, djadi di djalanna oge geus djaoeh ninggalkeun batoer. Leumpangna teu pati gantjang, bari si Djaparna njeungtjleu dina tonggongna. Barang ngalieuk ka toekang, batoer-batoerna tinggaleun djaoeh, si Djapar teh ngagĕroan bědas pisan: „Geuwat euj, sing garantjang!”

 Baroedak noe pandeuri teh ngarangket moending, atoeh riboet moendingna laloempatan, njaroesoel moending si

[ 126 ]Djapar. Teu koengsi lila geus narěpi ka waloengan. Gantjang moending teh alantjroeb paheula-heula, sawareh těroes ka tĕngah, ka noe djĕro, něpi ka lapoet awakna, ngan tembong hoeloena bae djeung tandoekna. Katingalna djiga ngareunaheun pisan, ngarinoem saseubeuhna.

 Sanggeus sareubeuheun nginoem djeung geus ngeueum sawatara lilana, moending teh diharandjatkeun, digiringkeun ka lěmboer sarta toeloej dikandangkeun. Tapi sawatara moending ngareueum keneh, sabab boedak angonna ge masih keneh teuteuleuman, soekan-soekan silih simbeuh djeung batoerna.

 Harita teh di sisi tjai loba awewe keur njeuseuh. Katjida ati-atina njareuseuhna teh, sieuneun seuseuhanana kabawa koe tjai, komo barang tjai ngagědean, noe njareuseuh teh pahiboet nareundeun seuseuhanana dina batoe noe Ialoehoer. Ari tjai těroes bae ngagědean, di girangna tajohna keur hoedjan gěde.

 Baroedak awewe noe keur marandi koe indoengna diingětan, sing arawas kana tjai djeung oelah mandi di těngah, bisi palid. Eta baroedak awewe aja limaan. Marandina di sisi bae, teu padjaoeh, malah ngantaj patjěkěl-tjěkěl. Katjida maranehna teh sěmoe rěsěpna, tingkětjěběk djeung tingtjirihil.

 Noe keur njareuseuh, nja eta indoeng atawa bibi baroedak noe keur marandi, sakeudeung-sakeudeung ngaralieukan tjai, bisi tjaah, djeung teu wěleh njarek baroedak ka těngah sarta nitah patjěkěl-tjěkěl sing pageuh.

 Baroedak awewe teh beuki pageuh patjěkěl-tjěkělna, noeroetkeun papatah indoengna tea. [ 127 ]

33. Boedak teuneung.

(Toeloejna).


 Lantaran geus rada lila diarawaskeun, tjai geus teu ngagědean deui, awewe noe njareuseuh teh djongdjon bae, hěnteu pati ngalieukan ka baroedak.

 Sabot kitoe, oedjoeg-oedjoeg raong bae, baroedak awewe teh tingdjarěrit menta toeloeng.

 Atoeh noe keur njareuseuh teh rareuwaseun sarta gantjang ngalieuk ka těngah tjai. Tetela boedak lima teh ngan aja opat. Si Misněm euweuh.

 Noe pangtarikna ngadjěrit, si Oemi, adi si Misněm. Tadina mah si Misněm teh pageuh pisan njěkělan leungeun adina. Kawasna rada ka těngah, djeung reuwas manggih noe djěro, něpi ka leungeun adina dilesotkeun, toeloej manehna ngaleong. Rek dirawel leungeunna koe adina, teu karawel, djeung adina sieuneun kabawa palid, toeloej bae gěgěroan bari tjeurik: „Misněm palid! Misněm palid!”

 Noe palid diarawaskeun, sakapeung ngamboel, sakapeung kalěm, djeung beuki djaoeh.

 Awewe noe keur njareuseuh toeloej harandjat, maksoedna rek laloempatan, ngoedag noe palid, tapi noe palid geus teu katembong. Indoeng si Misněm kajar-kijir ka hilir ka girang, teu poegoeh rarasaan, rawah-riwih bari sasambat, pokna: „Adoeh Misněm! anak aing! Toeloeng Goesti! toeloeng!”

 Ari baroedak lalaki noe kasěboet di loehoer tadi, harita teh geus harandjat, rek baralik. Ngadenge awewe noe tingdjarěrit, maranehna tingraranděg; noe geus toempak moending oge toeroen deui bari narendjo ka hilir. Noe palid teh katendjoeun koe si Djapar samar-samar. Gantjang bae si Djapar teh toetoeroeboen, toeloej ngodjaj satakěr tanaga, niat noeloengan noe palid. [ 128 ]

 Tina tarikna si Djapar ngodjaj, noe palid teh geus kasoesoel. Rek dihontal sampingna, kaboeroe ngalělěp deui. Si Djapar ngaboseh deui sakoeat-koeat. Noe palid teh leungeunna ngatjoeng sakeudeung, tapi toeloej ngalělěp deui bae. Beuki antek maksoed si Djapar hajang noeloengan anoe tjilaka.

 Kaběněran samping noe palid teh tembong deui, gantjang dirawel, karawel.

 Barang sampingna ditarik, leungeun si Misněm ka loehoer, atoeh kěk bae ditjěkěl koe si Djapar, sarta toeloej dibawa ngodjaj ka sisi. Awewe-awewe noe aja di sisi tjai patinggorowok: „Sing pageuh njěkělna, oedjang! sing pageuh! oelah kalesotan!”

 Djongdjon bae si Djapar ngodjaj, hajangeun geura něpi ka sisi, bororaah ngadengekeun noe tinggorowok.

 Sawatara boedak lalaki batoer si Djapar mangrisikeun, bisi si Djapar kakoerangan tanaga, tina sabab geus ngodjaj sakitoe djaoehna djeung sakitoe tarikna. Noe doeaan toetoeroeboen toeloej ngodjaj, ngabantoean si Djapar, narik si Misněm. Gantjangna něpi ka sisi, si Misněm geus dihandjatkeun, geus diroeboeng koe indoengna djeung babatoeranana. Tangtoe pisan sarerea ngarasa boengah, komo indoeng si Misněm mah, boengahna teh taja babandinganana.

 Si Misněm teh dilaan sampingna, diganti koe noe toehoer, toeloej dikěděngkeun dina lahoenan indoengna, bari pada njeungtjeurikan. Lila-lila si Misněm beunta, toeloej tjeurik.

 Noe ngaroeboeng nandakeun boengah, roepa-roepa ngaromongna. Tjek noe saoerang: „Soekoer geus bisa tjeurik mah, salamět!” [ 129 ] Omong noe saoerang deui: „Noehoen Goesti, si Misněm geus katoeloengan.”

 Ari si Djapar ka mana? Ditjěloek-tjěloek, hěnteu nembalan. Indoeng si Misněm hajangeun ngomong djeung si Djapar, nandakeun toemarima, reh anakna geus ditoeloengan, sasat ditoemboe oemoerna. Tapi si Djapar geus euweuh, geus noempakan moendingna, rek balik, sabab lĕmboerna pangdjaoehna, sieuneun kaboeritan.

 Harita sadesa eta geus pada njaho, jen si Misněm palid, ditoeloengan koe si Djapar. Atoeh kabeh pada moedji ka si Djapar, disěboet boedak teuneung, gĕde wawanen, daek toetoeloeng.

 Komo baroedak lalaki, batoer-batoer oelin si Djapar, djěro sawatara poě taja deui noe djadi djědjěr tjarita, ngan pěrkara bisana si Djapar ngodjaj, djeung kahadean hatena, noeloengan noe tjilaka.

 Indoeng-bapa si Djapar, ngadarenge anakna pada moedji teh, ngarasa bagdja djeung moedji soekoer ka Pangeran, reh anakna dipaparinan salamět, sadjěroning ngalampahkeun kahadean, noeloeng sasama kaoela.


34. Raden Saleh.

 Di kota Djakarta aja djalan gĕde noe dingaranan „Raden Saleh Laan”. Baroedak sakola mah geus tangtoe njaho, di mana pěrnahna eta djalan. Tapi oepama ditanja, saha eta Raden Saleh, loba keneh noe teu bisaeun ngadjawab. Di handap ieu ditjaritakeun, saha djeung koemaha lalakonna Raden Saleh.

 Andjeunna teh keur boerějna djĕnĕnganana Sarif Bastaman; dibabarkeunana di Samarang dina taoen 1814, masih keneh těrah boepati. Ti boeboerějna andjeunna teh geus rěsěp kana ngagambar. [ 130 ]

130

(Boemi R. Saleh di Djakarta).


 Keur di sakolana oge, lamoen koe goeroe dipaparin itoengan, sarta moerid-moerid kabeh ngaritoeng, Raden Saleh mah djongdjon bae gagambaran dina sabak, ngagambar imah atawa tatangkalan atawa naon bae.

 Bawaning rěsěp ngagambar, lamoen parěng manggih kěrtas salambar, toeloej bae digambaran. Sakapeung ngagambarna teh něpi ka djamdjaman, těroes bae teu bosěn-bosěn. Babakoena karěsěpna teh ngagambar sasatoan, kajaning: hajam keur aroelin di boeroean, titiran di djěro koeroeng, sado djeung koedana atawa moending keur dipake ngawoeloekoe.

 Parěng dina hidji poě Raden Saleh nembongkeun gambar ka rerentjanganana. Baroedak teh rěsěpeun pisan ngarilikan eta gambar. Tjek noe saoerang: „Koeda Sanděl kagoengan rama, ieu teh.”

 Omong noe saoerang deui: I„s, ieu mah kagoengan djoeragan Djaksa, sadona djeung koedana ge.”

 Omongan baroedak kitoe djadi tanda, jen gambar teh njěples djiga noe digambar, toer matak rěsěp. [ 131 ] Ramana oge rĕsěpeun, ningali gambar-gambar Raden Saleh teh, malah něpi ka ngahadja ngagaleuh patlot roeparoepa, paranti ngagambar. Kabingahan Raden Saleh geus taja wiwilanganana, dipaparin patlot roepa-roepa teh, sabab gambarna djadi leuwih aloes, noeroetkeun roepa-roepana anoe digambar, boh beureum boh hedjo atawa koneng.

 Ari dina hidji poě Raden Saleh ngiring ramana ka Solo, sarta di dinja ningali maoeng lodaja kagoengan Kangdjng Soesoehoenan. Dina manahna hojong geura moelih deui ka Samarang, emoet kana patlot gambar, hojongeun geura ngagambar maoeng. Atoeh ari geus soemping teh ka boemina, toeloej bae andjeunna ngagambar maoeng.

 Katjarita ka boemi Raden Saleh aja Walanda natamoe ka ramana. Eta Walanda teh toekang gambar. Waktoe harita Raden Saleh joeswana 14 taoen.

 Sabot tjatjarios djeung rama Raden Saleh, tatamoe teh rarat-reret kana bilik. Di dinja teh aja roepa-roepa gambar digantoengkeun. Koe tina panasaraneun, koe tatamoe ditaroskeun ka anoe kagoengan boemi, eta gambar-gambar kenging saha. Dit~rangkeun koe noe ditaros, jen eta gambargambar kenging poetrana.

 Tjek tatamoe: „Sarae ieu gambar teh. Koemaha aja deui noe sanesna?

 Raden Saleh disaoer koe ramana, dipiwarang mintonkeun gambar-gambarna ka tatamoe.

 Tatamoe teh katjida rěspeunana sarta moedji ka Raden Saleh, djeung toeloej nanja kieu: ,,Katjida rěsěpna kana ngagambar teh?"

 Walon Raden Saleh: ,,Kantěan."

 Geus kitoe mah Raden Saleh ka loear deui, aměng djeung rentjang-rentjangna. Ari tatamoe oendjoekan ka rama Raden Saleh, pokna: ,,Poetra teh aja topekna kana ngagambar. Koe emoetan, prjagi pisan, oepami poetra těras diadjar ngagambar di ahlina, soepados aja panoengtoen anoe [ 132 ]betami, doegi ka poetra djadi toekang gambar noe mashoer.

 Walon rama Raden Saleh: ,,Koemaha andjeun, kěrsa ngawoeroek?

 Toekang gambar: ,Oepami dipěrtjantěn mah, sinarěng poetra poeroeneun, bingah noe aja."

 Gantjanging tjarita, Raden Saleh oenggal poĕ sok diadjar ngagambar di eta toekang gambar, diadjarna katjida sosonsosonna. Koe andjeunna karaoseun pěrloena oeninga kana elmoena djeung rasiah-rasiah gambar. Sanggeus sawatara lilana ngoelik, tambah-tambah pintěr bae andjeunna kana ngagambar.

 Ramana ge katjida bingaheunana, ningali poetra tambah iasa ngagambar, malah waktoe goeroena tea ngadjadjah poelo Djawa, ngaboektikeun patěmpatan noe araloes pikeun digambar, sarta ngamitkeun Raden Saleh soepaja njarngan, andjeunna hěnteu ngoretkeun; enggal bae diidinan.

35. Raden Saleh.

(Toeloejna).

 Baheula mah ngadjadjah poelo Djawa teh, prdjalanan bangga pisan, sabab teu aja kareta api tjara ajeuna, komo mobil atawa motor pitatanggleun pisan.

 Tapi sanadjan kitoe ge, Raden Saleh djeung goeroena teu boeroeng laksana panědjana. Mimitina ngadjadjah ka DjawaWetan, geus kitoe ka Djawa-Koelon něpi ka Bogor.

 Sanggeus sawatara poě Raden Saleh djeung goeroena aja di Bogor, kaemper-emper ka Toean Běsar Goepĕrnoer Djendral, jen aja boedak bisa ngagambar. Raden Saleh ditimbalan ngadeuheus ka karaton bari mintonkeun gambargambar boeatanana.

 Gambar-gambar Raden Saleh ditingalian koe Toean Běsar. [ 133 ]
Raden Saleh.
[ 134 ]sarta kamanah katjida, něpi ka ngadawoeh kieu : ,,Daek maneh disakolakeun ka nagora Walanda? Di ditoe aja sakola gambar. Lamoen maneh hajang leuwih pintěr ngagambar, koedoe asoep sakola gambar. Koemaha kira-kirana, diidinan koe bapa maneh ?

 Pioendjoek Raden Saleh : ,,Maksad pisan bade těras sakola gambar, margi kaemoet pěrloe těrang kana elmoena noe langkoeng těbih. Manawi ka poen bapa ge teu djadi kaabotan."

 Waktoe harita, joeswa Raden Saleh kakara 15 taoen. Saěnjana djaman harita, lalampahan ka nagara Walanda teh asa katjida djaoehna, djeung katjida soesahna, sabab tatjan aja kapal api, ngan kapal lajar bae. Di djalanna něpi ka mangboelan-boelan. Katjida pisan langkana keneh, oerang dieu anoe njaba ka Eropa, komo boedak mah. Tapi sanadjan kitoe ge, Raden Saleh hĕnteu moendoer, bawaning kějĕng rek nroeskeun ngoelik hal gambar.

 Gantjanging tjarita, Raden Saleh geus diidinan koe ramana, djeung geus balajar, malah geus npi ka nagara Walanda.

 Katjarita sanggeus Raden Saleh aja di nagara Walanda, heuleut sawatara poě geus kaoeninga koe Sri Maharadja, malah marga timbalanana, Raden Saleh geus dipasrahkeun ka toekang garnbar noe mashoer, soepaja dipadjoekeun kabinangkitanana tina ngagambar.

 Katjida rĕsěpeunana eta goeroe ka Raden Saleh, kitoe deui Raden Saleh ka goeroena, anoe matak tambah sosonsoson bae diadjarna, npi ka meh tamplok kabeh kapintĕran goeroena teh.

 Gambar-gambar boeatan Raden Saleh, koe ieu-ieu dipoedji, nadjan koe ahli gambar ge. Noe katjida pada moedjina, nja eta gambar leuweung kadoeroek. Katjida matak heranna. Roepa-roepa sasatoan djiga noe hiroep, laloempatan njingkiran seuneu, lantaran panas djeung haseup. Di toekangna [ 135 ]

seuneu hoeroeng moentab-moentab djeung haseup moelěk.

 Noe sedjenna gambar jasa Raden Saleh, noe pohara matak běngongna, nja eta gambar banteng taroeng djeung singa doea. Anoe hidjj singana geus nangkarak, ditoeblěs koe tandoek banteng, soengoetna tjalangap, soekoena roroěsan, bari koekoena tarembong rek dipake njakar. Singa anoe hidjj ngarontok, toeloej ngarangsang, něpi ka aja dina tonggong banteng, ngěrěkěb poendoek banteng, bari njakar, koekoena njarěblok kana daging banteng, něpi ka baloboran.

 Djaba ti nagara Walanda, nagara-nagara noe sedjen oge di boeana Eropa disoempingan koe Raden Saleh, bahakoena ningalian patěmpatan noe araloes, noe araneh, sangkan tambah kaoeningana tina kaahengan doenja. Di těmpat-těmpat noe disoempingan, tara sakeudeung ngandjrěkna, sabab andjeunna ngaraos bětah. Ngoembarana di Eropa ěpi ka 20 taoen. Tapi nadjan bětah sapoeloeh kali bětah [ 136 ]ge, ari ka lěmah tjai mah bandjar karang pamidangan, djeung ka kadang koelawargi, andjeunna teu wěleh eměet, malah sok radjeun koemědjot, hojong moelih.

 Sanggeus ngaraos laksana sapanědjana, geus taja kapanasaran, Raden Saleh ngantoenkeun tanah Eropa, ngadjoegdjoeg ka Poelo Djawa, sarta dina taoen 1851 geus soemping ka Djakarta, nja těroes ngadaměl boemi, noeroetkeun tjita-tjitana. Boemina teh kaliwatan koe djalan noe ajeuna ditělahkeun ,,Raden Saleh Laan". Heuleut sawatara taoen andjeunna ngalih ka Bogor.

 Sasoempingna ka Poelo Djawa, Raden Saleh těroes bae ngadamĕlan gambar-gambar, kajaning gambar: djĕlěma, sawah, leuweung djeung salianna. Babakoena něraskeun karsěp ti babaheula, ti keur moerangkalihna tea, nja eta ngagambar sasatoan, sapěrti : singa, maoeng, moending atawa koeda.

 Sanggeus sěpoeh, Raden Saleh angkat deui ka Eropa, ningalian těmpat-těmpat noe bareto geus disoempingan. Angkatna teh disarěngan koe garwana. Tapi di Eropana teu pati lila, enggal moelih deui bae ka Poelo Djawa, tras boemen-boemen di Bogor, něpi ka poepoesna pisan, nja eta dina taoen 1880. Ajeuna ge aja keneh padjaratanana dialoesaloes.

36. Gadjah aheng.

 Djaman baheula aja hidji radja, katjloek ka awoenawoen, kawěntar ka mana-mana tina kabeungharanana, tjek babasan rea kětan rea kěton, boentjir leuit rea doeit, salieuk beh teu aja pisan kakoerang. Karatonna di těngah patamanan, noe pinoeh koe noe araneh, tatangkalan noe matak heran, kěkěmbangan soemělěběr matak hegar, njamboeang sapakarangan. Di těngah taman aja empangan, noe laoekna [ 137 ]warna-warna, noe leutik patingsiriwik, noe gěde patingsoeroewoek, tingkoetjiběk, tingkětjěboek, tingsolojong matak hajang.

 Aja deui kalangěnan Kandjěng Radja, nja eta gadjah sapirang-pirang. Těmpatna lěga, dikoerilingan koe pagěr beusi. Di antara gadjah-gadjah anoe sakitoe lobana, aja hidji noe katjida dipikameumeutna koe Radja, nja eta noe ngaran Paing. Eta gadjah hěnteu loemrah djeung noe loba, noe biasana harideung, ieu mah bodas, ari oemoerna geus saratoes taoen leuwih; leuwih kolot batan djělěma noe pangkolotna di nagara eta.

 Si Paing teh sok dirioeng koe gadjah-gadjah noe sedjen, sabab bisaeun ngadongeng, nja eta ngadongengkeun Ialakonna keurna ngora, waktoe manehna ngadjadjah ka sababaraha nagara. Ari manehna dongeng teh, dirěgěpkeun ěnja-ěnja koe babatoeranana, lantaran dongeng-dongengna pikarěsěpeun. Sakali mangsa rek ngamimitian dongeng, si Paing kieu omongna: „Batoer-batoer meureun teu njaho, jen kaoela lain oerang dieu; nagara kaoela djaoeh ti dieu.”

  „Poegoeh bae teu njaho mah, walon batoer-batoerna teh bari ngalingkoeng, „tjik dongengkeun.”

 „Pek atoeh darengekeun,” omong si Paing. „Kieu geura: Djaman baheula, djaman kaoela keur leutik, kaoela teh sok oelin djeung babatoeran di leuweung gěde. Kaoela ingět, harita sok minděng ditjarekan koe indoeng, lantaran sok bahoela, dititah mandi teu noeroet, ari oelin sok kadjongdjonan, djeung sok djarambah, neangan boeboeahan djeung dangdaoenan atawa pěpělakan noe ngarora. Ari oelin oedagoedagan djeung batoer, sok lat bae poho ka imah. Kaoela geus ngalakonan oelin ka noe djaoeh pisan, njorang těgal iplik-aplak, satoengtoeng deuleu ngan djoekoet rakět, euweuh tatangkalanana.

 Keur boedak mah teu karasa, jen salah lampah kitoe teh. Ari geus gěde kakara ngarasa sědih. Komo sanggeus aja [ 138 ]

Si Paing keur ngadongeng.

[ 139 ]babatoeran noe ngamoesoehan, katjida pisan sědihna. Padahal rarasaan mah hěnteu moengpang kana papatah kolot, nja eta sok milihan pibatoereun, djeung kaoela handap asor, tara njieun pikangewaeun batoer. Tapi nja eta teu kaharti, babakoena babatoeran noe oemoerna leuwih kolot, ari aja di pamandian atawa aja di těmpat njiar kahakanan, sok ěmboengeun reureudjeungan djeung kaoela. Kaoela njolondo oge ngadeukeutan, tara daek mirosea, djeung ngaboedian sagala. Asana teh teu poegoeh-poegoeh, wět pada ngamoesoehan,

Dina hidji poë kaoela mandi di waloengan, noe tjaina katjida pisan herangna. Di dinja kakara ngarti, anoe matak babatoeran teu rěsěpeun teh, lantaran kaoela bodas, teu saroea djeung maranehna. Atoeh tambah sedih bae karasana koe kaoela teh.

Ti harita tara marok-marokkeun maneh, da roemasa goreng roepa, toeloej bae kaoela ngoembara djaoeh, sangkan teu papanggih deui djeung babatoeran.

Ari di pangoembaraan di hidji leuweung, doemadakan ngadenge sora noe aneh, aja noe kokorosakan di noe bala. Ari dilieuk, horeng djělěma, anoe kokorosakan teh. Kakara harita pisan kaoela nendjo djělěma. Mimitina koe kaoela disangka manoek, lantaran manoek noe soekoena sok doea teh. Tapi eta mah lain manoek.

Isoekna deui eta djělěma datang deui ka těmpat tadi, djeung mawa batoer doeaan. Tapi tiloeanana ge teu ngaganggoe ka kao ela, ngan narendjokeun bae. Geus kitoe mah toeloej arasoep ka těmpat noe pinoeh koe tatangkalan, les teu katembong.

Poë eta pasosore kaoela leumpang ka talaga, noe teu djaoeh pěrěnahna, ngadon nginoem. Meh oenggal poë kaoela sok kadinja teh, malah sakapeung sok antjroeb toeloej mandi.

Sasari mah di dinja teh tara aja naon-naon. Sok ngawaskeun ka sakoeriling talaga, taja deui noe ketendjo, kadjaba [ 140 ]

ti tatangkalan djeung djoedjoekoetan noe loemrah. Ari harita di sisi beulah ti ditoe bĕt aja gadjah hidji. Katendjona eta gadjah sĕmoe rĕsĕpeun ka kaoela, malah njĕloekan, ngadjak wawawoehan. Pek manehna ngĕnjangan areuj-areujan koe toelalena, digoendoekkeun hareupeunana, ngabibitaan kaoela.

Tina kaoela geus heubeul teu papanggih djeung bangsa sorangan, toeroeg-toeroeg noe ngadjak wawawoehan teh sakitoe someahna, hĕnteu mikir pandjang-pandjang, toeloej bae kaoela ngodjaj, njampeurkeun ka manehna.

Areuj-areujan noe beunang ngoempoelkeun tea koe manehna dibikeun ka kaoela. Manehna mah toeloej asoep kana gĕrĕmbĕl. Panjana kaoela, manehna teh rek balik deui, tapi lila teu ĕmbol-ĕmbol, koe kaoela ditoetoerkeun, soegan kapanggih, nĕpi ka kaoela bingoeng, lantaran leungiteun galoer. Beuki djaoeh-beuki djaoeh kaoela leumpang, toeng-toengna djol bae nĕpi ka hidji tĕgal lĕga. [ 141 ]Katendjo ti kadjaoehan, di dinja aja aděgan dihateup mota. Beh ditoena aja haseup ngěloen ka loehoer. Kaoela ngarasa kaget djeung keueung, hajang geura balik deui, asoep ka leuweung.

Sabot kitoe, aja sora gadjah ngaděngek. Gadjahna mah teu katendjo, ngan kawasna gadjah noe keur diteangan tea koe kaoela. Harita keneh, sora gadjah noe bieu teh ditembalan koe sawatara gadjah, noe kadenge sorana di toekangeun kapela. Barang kaoela rek malik, boeroedoel noe disada teh, kabehna sapoeloeh gadjah, njalampeurkeun ka kaoela, marěgatan, sangkan kaoela teu bisa asoep ka leuweung. Koe sabab eta, kaoela teh geus teu bisa ngalawan, toeloej bae digiringkeun koe gadjah anoe sapoeloeh, mapaj těgal. Beuki djaoeh eta těgal beuki heurin, djeung di kentja-katoehoena dipagěr koe kai poeloekan anoe galede, di podjokna leuwih heurin djeung pagěrna leuwih santosa. Kaoela malik rek balik deui, tapi teu bisa, sabab lawangna geus dipeundeutan.

37. Gadjah aheng.

(Toeloejna I).


Ajeuna kaoela kari sorangan, geus aja di těmpat heurin toer dikoeběng koe tihang anoe galěde djeung laloehoer. Tina roemasa teu boga dosa, djeung moal aja anoe noeloengan, kaoela niat ngamoek. Tihang-tihang ditjoba-tjoba ditjaboet, hěnteu katjaboet, didoepak teu rengrot-rengrot, tangtoe katjida djěrona nantjěbkeunana. Digadilan djeung ditodjosan koe gading, tihang-tihang teh teu kieu-kieu, wantoening kajoe beusi anoe katjida teuasna.

Kaoela ngarasa teter, ngarasa koerang tanaga. Hajang ka loear teu bisa, ngan bati sědih bae. [ 142 ]Gadjah-gadjah noe loba tea kawas sarieuneun oge koe kaoela, da euweuh hidji-hidji atjan noe tembong. Ngan teu kaharti, koemaha njalingkirna.

Bawaning tjape djeung soesah, kaoela ngarasa lěsoe, brěk bae děpa něpi ka peuting, geus teu ingět di kaler-kidoel, toengtoengna reup bae heës. Ingět-ingět geus braj beurang, djeung soekoe toekang dirante beusi, ditjangtjangkeun kana tihang noe panggedena.

Teu koengsi lila datang djělěma noe ngaloengan kahakanan, koe kaoela teu direret-reret atjan. Eta djělěma oenggal isoek sok ngaloengan kahakanan, tapi koe kaoela teu ditolih, da teu hajang baranghakan, malah něpi ka saminggoe teu nginoem-nginoem atjan. Geus kitoe mikiran maneh, nadjan ditapaan oge, geus teu aja pětana bisa ka loear tina pandjara. Isoekna mah mimiti kaoela njatoe, djeung mimiti ngarasa rěsěp ka djělěma noe sok ngaloengan kahakanan tea, lantaran manehna siga noe njaaheun pisan ka kaoela. Isoekna deui kaoela dikaloearkeun, dibawa ka waloengan, digoejangkeun. Harita kaoela mikir, jen oepama boga niat ngarah pati ka eta djělěma, gampang katjida, dirawel bae koe gading, sakali ngabeubeutkeun ge, geus moal ěngap deui. Tapi sabab eta djělěma taja dosana, malah sěmoe njaaheun pisan ka kaoela, djadi kaoela taja pikiran rek njilakakeun ka manehna, malah anggoer hajang mimitran.

Lila-lila kaoela njaho, jen sarati disěboetna, noe sakitoe goematina ngamoemoele kaoela teh. Ari dina hidji poë eta sarati njarita ka kaoela, pokna: „He Paing, noe matak maneh. diala, marga timbalan Sang Radja. Pikeun tanda kaagoengan, andjeunna teh koedoe kagoengan gadjah poetih, toetoenggangan dina waktoe arak-arakan. Saěnjana andjeunna geus kagoenganeun gadjah poetih, ngan geus katjida kolotna, geus meudjeuhna diganti. Eta sababna noe matak maneh diakalan něpi ka beunang. Tangtoe Sang Radja njaaheun ka maneh, sarta tangtoe dimoemoele hade-hade, moal [ 143 ]koerang naon-naon. Boelan hareup Sang Radja bakal diarak moetĕran kota. Geus moal salah ramena.”

Pikir kaoela: „Hajang teuing geura nĕpi kana waktoe arak-arakan. Hajang njaho rame-ramena.”

Satjarita sarati teh kaboektian dina waktoe arak-arakan. Karameanana geus lain tjaritakeuneun. Sapandjang djalan, sakoer noe bakal kasorang, diawoeran kekĕmbangan roepa-roepa. Kaoela dirarangkenan djeung dihiasan koe sing sarwa hoeroeng-herang; sirah kaoela make tioeng roembe-roembe, disampajan mangle kĕmbang noe sareungit. Di sisi [ 144 ]djalan kentja-katoehoe djělěma pasěděk-sěděk, meh euweuh těmpat noe lowong. Anoe nongton ti soeklakna ti sikloekna, ti Nangkorek lila poëk, ti Nanggerang lila beurang, nakleuk ngadjoegdjoeg ka dajeuh. Kaoela ngarasa senang ditoenggangan koe Sang Radja, diaping para ponggawa. Ngareret ka sisi djalan dina lebah noe kalangkoengan koe Sang Radja, djělěma darongko kabeh, nandakeun hormat. Aja saoerang noe ngomong kieu: „Ieu mah ngora keneh, gadjah poetih teh.” Ditembalan koe noe sedjen: „Poegoeh bae, ieu mah meudjeuhna bědas, djeung loetjoe deuih."

Sadjeroning arak-arakan kaoela ingět ka babatoeran di leuweung, noe sok ngamoesoehan tea, lantaran kaoela bodas, henteu hideung kawas maranehanana. Ari Sang Radja djeung rahajatna bět njaaheun djeung resepeun ka kaoela, atoeh kaoela ngarasa bagdja. Arak-arakan saroepa kitoe oenggal taoen sok diajakeun. Kaoela teu wěleh resep, malah mindeng ngarěp-ngarěp kana waktoe arak-arakan.

Aja deui pikarěsěpeun kaoela teh, nja eta sok ngasoeh para poetra, boh noe paměgět boh noe istri. Komo eta mah Sang Poetri apet djeung gěten katjida ka kaoela. Sakitoe boerěj keneh teh, make sok dongeng nanaon. Sasaoeranana sok alon djeung bari mesem, sakapeung mah něpi ka teu pati kadenge. Kasoekaan-kadoekaan koedoe bae disaoerkeun ka kaoela. Ari keur senang manahna sok ngadeukeutan ka kaoela, sok ngoesapan toelale, bari moedji ka kaoela, saoerna: „Nadjan di nagara ieu loba gadjah, ari noe tjara Paing mah bageurna djeung pinterna, moal aja. Tah eta sababna noe matak Paing koe kami dianggap mitra sadjati.”

Kasaoeran Sang Poetri kitoe katěroesan koe sarati, kieu tjěnah: „Sang Poetri trěsna katjida ka iboe-rama. Djaba ti eta, nja maneh kakasihna teh.” [ 145 ]

39. Gadjah aheng.

(Toeloejna III).


Sanggeus ageung, radjeun Sang Poetri pasiar toenggang kaoela, moetěran kota. Koe kaoela kasaksian, sakoemaha tjintana rahajat ka andjeunna. Atoeh sageuj teu arek dipikatjinta, da sakitoe someahna Sang Poetri teh.

Heuleut sawatara taoen Sang Poetri seděng birahi, ngědalkeun kagoembiraan ka kaoela, saoerna: „Kami teh, Paing, geus aja noe ngalamar, kaběněran noe soeroep djeung lělemboetan, toer karoedjoekan koe iboe djeung koe ama. Sakeudeung deui meureun koedoe imah-imah, kami teh.”

Satamatna Sang Poetri sasaoeran, tjeuli kaoela doeanana teu kieu-kieu. Biasana, nandakeun ngiring bingah teh, tjeuli kaoela doeanana sok dikoepat-kapit. Ari harita kaoela teh soeka pabaoer djeung doeka.

Sang Poetri semoe heraneun, toeloej sasaoeran deui: „Kami mah boengah, dikěrsakeun koe Noe Kawasa rek imah-imah. Ari maneh djiga noe soesah. Eta meureun panjana maneh, kami teh bakal padjaoeh djeung maneh. Njangka ka kami, tega ka maneh. Oelah kitoe, Paing, oelah boga sangka kitoe. Djaoehna mah ěnja djaoeh, nagara noe diradjaan koe pisalakieun kami teh, sarta oepama geus nikah, geus tangtoe kami ditjandak koe andjeunna, kapan sapi anoet ka banteng, tjek paribasana oge. Tapi maneh geus disoehoenkeun ka ama, soepaja miloe djeung kami, da kami teh paeh-hiroep ge ěmboeng padjaoeh djeung maneh. Kaběněran koe ama geus diidinan. Geura pikir, lain atoh maneh oge?”

Koe sabab saoer Sang Poetri kitoe, kaboengahan kaoela teh taja babandinganana, toeloej bae ngoepat-ngapit tjeuli doeanana, sakoemaha kabiasaan kaoela.
[ 146 ]„Tah kaharti ajeuna mah,” saoer Sang Poetri, „soekoer pisan ari Paing hajang miloe mah.”

Katjarita dina waktoe rendengan Poetri, aja pesta anoe katjida ramena; arak-arakanana ge něpi ka sababaraha pal pandjangna. Kaoela dirarangkenan sakoemaha biasa, ditoenggangan koe panganten doeanana, ditongton koe abdi- abdi saloear kota. Oenggal lebah noe kasorang koe kaoela, gěr djělěma saroerak, nandakeun soeka djeung hormat kanoe noenggangan kaoela, nja eta Sang Poetri djeung tjarogena.

Sarengsena pepestaan, Sang Poetri toeloej ditjandak koe tjarogena ka nagarana, diiring koe kaoela djeung para mantri ponggawa. Djaoeh moal boeroeng tjoendoek, anggang moal boeroeng datang. Teu katjatoer di djalanna, katjatoerkeun Sang Poetri djeung tjarogena geus soemping ka nagarana. Sang Poetri geus diistrenan, didjěněngkeun Prameswari. Sang Radja djeung Prameswari estoe noeroeb-tjoepoe pisan, noe kasep djeung noe geulis, toer sami silih asihna, ka tjai djadi saleuwi, ka darat djadi salěbak. Kaoela ngarasa bagdja, reh Sang Radja kanjaahna ka kaoela, saroea bae djeung Prameswari.

Kaoela teu ditjampoerkeun djeung gadjah-gadjah noe lian, henteu dikěrěm di kandang. Sapopoë měrdika pisan, meunang oelin sakama-kama di taman, da kaoela tara ganggoe kana pěpělakanana. Lamoen parèng Sang Radja djeung Prameswari aramĕng di taman, sok diiring koe kaoela. Sakapeung-kapeungeun kaoela radjeun ka leuweung anoe dareukeut, tapi tara kamalinaan, tara něpi ka kapeutingan di leuweung.

Dina hidji poë Sang Radja teh sasaoeran ka Prameswari, saoerna: „Naha enoeng, ari angkat ka taman teh, tara kersa njandak rentjang?”

Diwalon koe Pramaswari bari ngoesapan toelale kaoela: „Ongkoh ieu aja noe satia toehoe, henteu kedah ngabantoen rentjang noe sanes.” [ 147 ]Geus kitoe Sang Prameswari mariksa ka kaoela: „Ĕnja ta hĕnteu, Paing?”

Saadat biasa bae, didjawabna koe kaoela koe tjeuli dikoepat-kapit.

Sang Prameswari neuteup ka Sang Radja bari ondjoekan, jen ngoepat-ngapit tjeuli teh, lamoen moenggoeh djĕlĕma mah, minangka ngomong kieu: „Soemoen dawoeh, abdi dalĕm soemĕdja bela pati satoetoep oemoer.”

Sang Radja sĕmoe noe heran, ningali polah kaoela kitoe. Tĕras andjeunna njakĕtan ka kaoela, ngoesapan kana toelale bari mariksa: „Kami pĕrtjaja katjida, jen maneh bela toemoetoer ka doenoengan, nja eta Sang Prameswari. Tapi meureun ka tjarogena oge saroea bae, nja Paing?”

Teu talangke, gantjang bae tjeuli kaoela dikoepat-kapit deui.

Djĕro sawatara minggoe, Sang Prameswari teu loengsoer-

[ 148 ]loengsoer. Kaoela heran djeung mělang sarta ngomong di djěro hate: „Koe naon Prameswari teh? Teu damang, kitoe?”

Sababaraha kali dioeběk di patamanan, malah karaton dikoerilingan djeung ditempoan, wěleh bae Sang Prameswari teu tembong. Doemadakan kaoela keur hoelang-hoěleng, bět ngadenge sora orok, 'ea-'eaan. Teu koengsi lila ti karaton aja noe toeroen, ngabedjaan noe di loear, jen Sang Prameswari babar, poetrana poetri; wiloědjeng doeanana.

Kaoela kakara ngarti, jen kitoe sababna, noe matak Sang Prameswari geus lila teu kěrsa aměng ka patamanan.

Heuleut sawatara poë Sang Radja loengsoer ka latar, diiring koe hidji ěmban noe nanggeuj bantal soetra. Eta bantal die bogan koe poetri boerěj, dangdosanana sing sarwa soetra. Kaoela ti patamanan gantjang loempat, hajang geura nendjo poetri. Ari geus deukeut ka dinja, rěg kaoela ngaranděg, teu wani deukeut pisan, bisi koemaha onam, djeung geus tetela poetri katendjo, katjida matak loetjoena, damisna lěměs tjamihmil djeung make imoet sagala. Dina hate katjida hajangna njabak, hajang ngoesapan damisna koe toelale, tapi bati hate bae, da adjrih koe Sang Radja.

Dawoehan Sang Radja: „Loetjoe, nja Paing, moerangkalih teh. Maneh tangtoe miloe njaah. Kadjaba ti iboena, poetrana ge koe maneh koedoe didjaga. Ngarti, Paing?”

Tangtoe pisan koe kaoela gantjang diwaler, koe ngoepat-ngapitkeun tjeuli.”

39. Gadjah aheng.

(Toeloejna III).


„Ti harita Poetri boerěj teh meh oenggal poë sok diěmban koe pangatik noe kadeuheus, diasoeh di loear, malah sok radjeun ka taman. Koe kaoela tara didjaoehan, bisi pangatik [ 149 ]tjileureun, djeung bisi aja noe wani njabak atawa noe njioem ka moerangkalih.

Sang Prameswari oeningaeun, jen kaoela sok ngaping moerangkalih, sarta dina hidji poě andjeunna sasaoeran, saoerna: „Soekoer Paing, maneh miloe ngamongmong poetri boerěj. Hate kami ngarasa reugreug, da geus njaho kana kagoematian maneh. Ongkoh kami ge keur leutik, maneh noe ngasoeh.”

Heuleut sawatara taoen Sang Poetri geus rada ageung, sarta minděng aměng ka taman. Karěsěpna aměngna di sisi balong, sok ningalikeun laoek djeung pěpělakan anoe ngarambang, daoenna roebak nalamprak, kěmbangna barodas rantjoeng.

Dina hidji poë Sang Poetri aměng di taman diiring koe lima ěmban, noe saoerang mawa pangtjongkakan, toeloej ngadjak maen tjongkak ka batoerna, atoeh pogot doeaan maraen tjongkak di handapeun tangkal kai noe ngarěnggěněk, dilaladjoan koe noe tiloean, něpi ka tjoel Sang Poetri aměng njalira, teu aja anoe ngaping.

Ari Sang Poetri kadjongdjonan ningalian kěkěmbangan, toeroeg-toeroeg harita teh aja hidji koekoepoe aloes kěkělěpěran, rek njeuseupan madoe kěkěmbangan, sieuneun Poetri. Tina sabab eta koekoepoe hiběrna teu daekeun djaoeh, toer semoe lindeuk, koe Poetri rek ditewak, bět hiběr ngadjaoehan, ditoetoerkeun beuki djaoeh-beuki djaoeh, djol bae ka sisi balong, reg Sang Poetri ngaranděg, aměng di dinja.

Koe kaoela katendjo ti kadjaoehan. Pikiran teh, pirakoe teu kanjarahoan koe pangatik anoe sakitoe lobana.

Barang Sang Poetri katendjo tember katjida di sisi balong, kaoela njěblak, inggis Sang Poetri tikoentjloeng. Rek gěgěroan ngabedjaan para ěmban, kaoela hěnteu bisa, wantoening sato, lain djělěma. Sabot kitoe Sang Poetri tikoentjloeng manten, atoeh teu ngěngkekeun deui, gantjang kaoela teh

loempat, rek noeloengan. Kakara para ěmban teh njarahoeun, [ 150 ]

jen Sang Poetri djaoeh ti maranehna, toeloej maranehna oge laloempatan, noetoerkeun ka kaoela.

Ari nĕpi ka sisi balong, Sang Poetri geus teu katembong; geus titeuleum, sarta aja di handapeun toetoewoehan noe ngambang tea. Ngan tjaina ojag-ojagan djeung beuki kiroeh, malah panangan Sang Poetri moentjoel hidji, tapi toeloej ngalĕlĕp deui. Geus teu ingĕt kana balai sorangan, hĕnteu tega kaoela ngantĕp Sang Poetri di djĕro tjai, gĕbroes bae kaoela antjroeb ka balong, njasaran Sang Poetri koe toelale, nĕpi ka karasa, salirana madoek toelale kaoela. Boeroe-boeroe koe kaoela ditewak, didjoengdjoengkeun ka loehoereun tjai, sarta tĕroes dibawa handjat. Para ĕmban maridangdam, bari pada menta poetri, rek diparajang, tapi koe kaoela teu dibikeun. Panganggo Sang Poetri gogojobod djeung kotor koe leutak, koe kaoela teu dipikir, tĕroes bae diajoen koe toelale, dibawa loempat ka karaton. Para ĕmban naloetoerkeun, laloempatan bari tjareurik.

Kabĕnĕran Sang Prameswari noedjoe linggih di pamĕngkang, dideuheusan koe para garwa prijaji. Barang andjeunna [ 151 ]ningali kaoela datang mawa Sang Poetri, enggal m~dal ti paměngkang bari mariksa: ,,Koe naon ieu teh, koe naon?"

 Sang Poetri teh koe kaoela disanggakeun, toeloej koe andjeunna dipangkon bari rěmběs tjisotjana. Para istri djeung para ěmban pahiboet, aja noe ngoetjoelan panganggo Sang Poetri, aja noe njokot tjai dina bokor ěmas, aja noe njokot saboen djeung handoek. Těroes bae Sang Poetri teh ditjeboran, disaboenan koe saboen seungit. Sanggeus ditoeoeskeun koe handoek, kakara panganggona diganti koe noe araloes, diebogkeun di pangkoeěmanana, dirioeng koe iboena djeung para garwa ggěden, bari smoe noe prihatos, ngamaranahan Sang Poetri, noe masih ngalehleh bae, hěnteu beunta-beunta atjan, ngan katjiri napasna aja keneh.

 Komo ěmban noe limaan, noe tadi ngariring ka taman tea, alah batan naon-naon soesaheunana, sieuneun Poetri něpi ka tiwas, djeung kadoehoeng kadjongdjonan maen tjongkak, katambah soesah koe pidjawabeun, lamoen ěngke dipariksa, koemaha lantaranana noe matak Poetri tjilaka.


40. Gadjah aheng.

(Toeloejna IV).


 Sanggeus Poetri rada damang, geus kěrsaeun mesěm, Prameswari rada lěga mamanahan, toeloej andjeunna miwarang njaoer ěmban noe limaan, dipariksa koemaha asal-asalna noe matak něpi ka kadjadian saroepa kitoe.

 Mimitina noe dipariksa teh tjaritjing bae, taja noe wani oendjoekan. Tapi bawaning dihantěm diseukseukan koe Prameswari, toengtoengna aja nja eta ěmban noe mawa pangtjongkakan ka taman tea. Ari pioendjoekna kieu : ,,Abdi goesti limaan soemědjanjanggakeun beuheung teukteukeun, soeke gěnteng bělokeun, [ 152 ]sadaja-daja koema pangĕrsa, bade dibeureum dihideung oge, teu sĕdja ngalalangkoengan. Doepi noe mawi poetra goesti tjilaka, kieu margina: Awitna poetra goesti teh hĕnteu tĕbih ti abdi goesti limaan, antĕng pisan mĕtikan kĕkĕmbangan.

Teu kantos lami abdi goesti poen Paing dongkap, njampeurkeun ka poetra goesti. Enggal poetra goesti didjoengdjoengkeun koe poen Paing koe toelalena, sarĕng tĕras dibantoen ka sisi balong. Poen Paing koe abdi goesti limaan digĕroan, digeunggeureuhkeun oelah kitoe, nanging wĕleh teu ngagoegoe. Diaroedag koe abdi goesti limaan, nanging loempatna tarik teu kintĕn memeh kaoedag, memeh poetra goesti karĕboet, parantos kĕtjĕboer manten, dikoentjloengkeun koe poen Paing.”

„Tjoba eta,” tjek si Paing ka batoer-batoerna, „nĕpi ka wanieun ngabohong ka doenoengan, bawaning sieun dihoekoem. Padahal noe dipitĕnah, nja boektina kaoela, aja di dinja, ngadengekeun. Atoeh nadjan kaoela njaho oge, jen di pajoeneun pangagoeng atawa sĕpoeh koedoe bisa nahan napsoe, djeung nadjan kaoela njaho, jen Sang Prameswari adil, moal boeroeng noe boga dosa dihoekoem, tapi ari kitoe-kitoe teuing mah, geus teu bisa nahan kasabaran, lat bae kaoela poho, jen dipajoenan koe Ratoe, teu tata pasini deui djĕbet bae noe wawadoel teh digĕboeg tonggongna koe toelale kaoela, nĕpi ka laboeh nangkoeban, iroengna baloboran djeung biwirna djantowor. [ 153 ]Koe Sang Prameswari kagalih, jeu eta emban teu oendjoekan satarabasna. Atoeh běndoe andjeunna teh, sarta ngalahir: „Tangtoe bohong maneh, ěmban. Ajeuna maneh koedoe ditoetoep, noenggoe poetoesan.”

Tidinja andjeunna nimbalan abdi-abdi ngasoepkeun eta emban ka hidji kamar, sarta pantona dikontji djeung didjaga, soepaja eta ěmban teu bisaeun minggat.

Sang Prameswari lěbět deui ka pangkoeleman, rek ningali kangpoetra. Memeh lěbět, kaboeroe aja anoe kaloear ti pangkoeleman, nja eta tabib anoe měntas mariksa Sang Poetri. Eta tabib gantjang oendjoekan, ngoendjoekkeun Poetri geus henteu matak hawatos, salirana teu kirang sawios-wios, malah geus kersaeun tjalik.

Barang Prameswari lěbět ka pangkoeleman, ningali poetra keur tjalik bari mesem, kabingahan manahna teh geus teu aja babandingan ana.

Teu koengsi lila Sang Prameswari mědal deui ti pangkoeleman, teras loengsoer bari njaoer ka kaoela, njarioskeun Poetri geus damang.

Barang tamat andjeunna sasaoeran, gantjang bae tjeuli kaoela dikoepat-kapit, nandakeun ngiring bingah.

Sang Prameswari njakětan ka kaoela, toeloej ngoesapan toelale, bari sasaoeran kieu: „Běněr bageur maneh teh Paing, djeung pinter deuih, ngarti kana omongan djalma, něpi ka kami bisa njaho kana asalna noe. matak Poetri tikoentjloeng. Saěnjana samemeh maneh ngagěboeg si ěmban oge, kami teh geus teu pěrtjaja ka eta ěmban, tina bangět kapěrtjajaan kami kana kas atiaan maneh. Moestahil maneh něpi ka wani ngoentjloengkeun Poetri! Moen ěndek ge, noe noeloengan. Lain kitoe, Paing?”

Kaběněran harita Sang Radja rawoeh. Dawoehanana ka kaoela: „Kami teu ngarti, koemaha saěnja-ěnjana, noe matak Poetri tikoentjloeng. Pioendjoek emban teu beunang dipěrtjaja. Teu kaharti koe akal, diri maneh noe satia toehoe [ 154 ]ka kami, něpi ka ngoentjloengkeun Poetri. Djeung geus boekti, jen maneh pribadi noe mawa Poetri ti těmpat katjilakaan ka karaton."

 Geus kitoe Sang Radja sasaoeran Ia Prameswari, jen andjeunna hojong oeninga, di lěbah mana Poetri teh tikoentjloengna. Sang Prameswari nja kitoe deui hojongoeninga těmpatna. Sang Radja teh ngalirik ka kaoela, bari saoerna: ,,Hajoe Paing, oerang ka taman. Bngke koe man eh toedoehkeun, Iěbah mana Poetri teh tikoentjloengna."

41. Gadjah aheng.

(Toeloejna V).

 Sang Radja djeung Prameswari arangkat ka patamanan, diiring koe kaoela. Kaběněran pangtjongkakan aja keneh, ngagoler handapeun kai. Gantjang atoeh koe kaoela ditoedoehkeun, nja eta koe ngoelang-ngoelangkeun toelale.

 Koe Sang Radja kahartoseun, enggal bae nimbalan djaga taman, njaoer ěmban pangasoeh Poetri. Eta ěmban dipariksa koe Sang Radja, koemaha asal asalna, noe matak Poetri tjilaka. Pioendjoek noe dipariksa: ,,Soemoen dawoeh. Noe njilakakeun poetra teh, abdi goesti poen Paing. Koe abdi goesti hěnteu katingal dibantoenna ti pangamngan, katingal teh parantos ngětjěboer bae ka balong."

 Sang Radja: ,,Ari noe noeloengan, saha ?"

 Emban: ,,Noe noeloengan teu aja sanes, kadjabi ti abdi goesti, ěmban limaan. Nanging nmbe oge dihandjatkeun, poetra goesti dirěboet deui koe poen Paing, sarng tras dibantoen ka karaton."

 Sang Radja mesěm, tandaning teu pěrtjantěneun kana eta pioendjoek ěmban, toeloej andjeunna ngalirik ka kaoela bari mariksa: ěKoemaha Paing, běněr pioendjoek ěmban teh?" [ 155 ]

 Kaoela gantjang gigideug djeung ngoepat-ngapit toelale, minangka oendjoekan, jen ěmban bohong.
 Dawoehan Sang Radja ka ěmban: ,,Koedoe kaharti koe maneh, jen isarat si Paing teh maksoedna ngabohon gkeun kana pioendjoek maneh. Kami oge sareboe kali leuwih pěrtjaja ka si Paing batan ka maneh, da si Paing mah saoemoerna ge tara ngabohong."
 Tidinja Sang Radja moendoet panggitik ka djaga lawang, toeloej sasaoeran kieu ka ěmban-ěmban:,,Tarendjo ieu panggitik. Oepama maraneh tětěp teu daek waktja balaka, tangtoe koe kami digitik, sangkan karasa koe maraneh, jen noe bohong koedoe aja hoekoemanana."
 Ěmban-ěmban katjida risieunana, toeloej maranehna soedjoed, njoehoenkeun sih pangapoentěn bari tjeurik; oendjoekanana: ,Abdi goesti soemědja njěmbahkeun sewoe běběndoe laksa doedoeka, sadaja roemaos lěpat, teu oendjoekan salěrěsna. Poerwa poetra goesti tjilaka, sajaktosna kalěpatan abdi goesti limaan. Koe margi eta, abdi goesti limaan sědja njěmbahkeun diri sakoedjoer, gantoeng tinggi boeang djaoeh, sadaja-daja koemaha pangěrsa goesti."
 Lahir Sang Radja: ,,Tjoba ajeuna geura oendjockan satarabasna.
 Noe saoerang, mban noe rada pěrlente, barabat bae oendjoekan, jen maranehna kadjongdjonan maen tjongkak,
[ 156 ]teu aja anoe ngawaskeun ka Poetri. Njaho-njaho geus tjilaka, geus dibawa koe kaoela ka karaton.

Lahir Sang Radja: „Geus tetela noe salah teh ěmban limaan, nja eta noe dipertjaja ngadjaga Poetri. Katambah deui salahna, sabab geus wani ngabohong. Tapi ajeuna koe kami dihampoera, moal toeloes digitik. Ngan pěrkara lalawora, teu njaho di kawadjiban, eta mah koedoe dihoekoem, nja eta ti poë ieu maneh limaan dilěpas tina gawe, koedoe gantjang kalaloear ti karaton.”

Geus kitoe Sang Radja djeung Prameswari bagantos sasaoeran ka kaoela, saoerna: „Ajeuna kami beuki pěrtjaja ka maneh. Panarima kami geus taja babandinganana. Moega-moega maneh sing tambah goemati, sadjěroning ngadjaga Poetri.”

Dawoehan Sang Radja kitoe, koe kaoela disoehoen dina ěmboen-ěmboenan. Koe lantaran dipapantjenan ngadjaga Poetri, djadi kaoela sasatna didjieun ěmban; tah eta teh pohara matak boengahna ka kaoela/Gantjang toelale kaoela diatjoengkeun bari disada satakěr tanaga, něpi ka kaoela sorangan katorekan. Eureun disada, kaoela ngarasa risi, bisi Sang Radja běndoe, djeung bisi Poetri sieuneun. Tapi eta sangkaan salah, sabab Poetri teu sieuneun, malah răsěpeun, něpi ka mědal ti pangkoeleman, njampeurkeun ka kaoela bari miwarang disada deui.

Ti harita oenggal poë koe kaoela diapingna Sang Poetri teh. Oepama aměng ka taman sarta deukeut ka sisi balong, koe kaoela sok dihalangan. Sakali mah ngahadja kaoela ngagoebroeskeun maneh ka balong, minangka ngelingan Poetri. Andjeunna ngan mesěm bae, těroes ameng ngadjaoehan balong. Ari geus djiga palajeun, Poetri teh sok dipangkoe koe toelale, ditjalikkeun dina tonggong, toeloej ngoerilingan taman.

Sang Poetri teh něpi ka ageungna oge, malah něpi ka sawawa, ka kaoela teu weleh apet djeung teu wěleh gěten. [ 157 ]

Sakapeung-kapeungeun andjeunna sok ngahadja soemping ka těmpat kaoela, bari njandak boeah-boeah noe ngareunah keur kaoela.

Sapoepoesna kangrama djeung kangiboe, Sang Poetri didjoengdjoeng loenggoeh. ngasta kaprabon. djoeměněng radja, ngěreh nagara.

Oenggal aja pesta gěde, Sang Ratoe anom sok nitihan kaoela, diarak saiděr kota.

Lila-lila Sang Ratoe teh tjarogean, těroes poetraan, malah [ 158 ]poetrana noe pangsěpoehna geus djěněng radja, ngagěntos iboe, nja eta doenoengan oerang ajeuna. Iboe Radja, anoe keur moerangkalihna asoehan kaoela tea, ajeuna geus sěpoeh pisan. Djadi něpi ka ajeuna, geus opat radja noe koe kaoela dikawoelaan. Tah sakitoe tjarita kaoela teh.”

Gadjah-gadjah anoe ngalingkoeng si Paing, sěmoe rarěsepěun pisan ngadengekeun si Paing tjatjarita teh. Maranehna hěnteu boeroe-boeroe boedal, ngalioed bae di dinja. Sabot kitoe djol saratina datang, njěloekan ka si Paing, sabab si Paing rek dititihan koe Radja, rek pasiar ka loear kota.

Si Paing geus rada torek. Tjitjing bae, ditjěloekan koe sarati teh. Tapi barang sakali deui sarati ngomong toer bědas, kakara kahartieun, naon sababna noe matak manehna ditjěloekan. Geus kitoe mah gantjang bae tjeulina dikoepat-kapit, nandakeun boengah.

TAMAT.

[ Daptar eusi ]

EUSINA IEU BOEKOE.

Katja.

1. Kapal oedara 3
2. Sardjan asoep ka sakola sahakěl 7
3. Sardjan djeung sobat-sobatna laladjo 11
4. Sardjan djeung sobat-sobatna laladjo (Toeloejna) 15
5. Hileud djeung koekoepoe 18
6. Pagantjang-gantjang ngitoeng 23
7. Pagantjang-gantjang ngitoeng (Toeloejna) 26
8. Watěk gěmi, matak djadi kasěnangan 30
9. Watěk gěmi, matak djadi kasěnangan (Toeloejna) 24
10. Sobat sadjati 37
11. Si Soeri djadi baboe 43
12. Si Soeri djadi baboe (Toeloejna) 47
13. Reungit malaria 51
14. Reungit malaria (Toeloejna) 54
15. Toekang batoe kaleuwihan 58
16. Sing ati-ati 65
17. Sing ati-ati (Toeloejna) 68
18. Nana djeung Didi tětelěponan 71
19. Nana djeung Didi tětelěponan(Toeloejna) 74
20. Siraroe djeung rinjoeh 77
21. Laladjo halon 82
22. Kabawa ngapoeng 89
23. Ngala maoeng 95
24. Ngala maoeng (Toeloejna) 98
25. Boedak rahoel 100
[ Daptar eusi ]

Katja.

26. Boedak rahoel (Toeloejna) 104
27. Pada meunang sapěrtiloena 108
28. Pada meunang sapěrtiloena (Toeloejna I) 111
29. Pada meunang sepěrtiloena (Toeloejna II) 114
30. Pada meunang sapěrtiloena (Toeloejna III) 116
31. Pada meunang sapěrtiloena (Toeloejna IV) 119
32. Boedak teuneung 124
33. Boedak teuneung (Toeloejna) 127
34. Raden Saleh 129
35. Raden Saleh (Toelcejna) 132
36. Gadjah aheng 136
37. Gadjah aheng (Toeloejna I) 141
38. Gadjah aheng (Toeloejna II) 145
39. Gadjah aheng (Toeloejna III) 148
40. Gadjah aheng (Toeloejna IV) 151
41. Gadjah aheng (Toeloejna V) 154