Lompat ke isi

Tjarijos Para Nabi: Ditoekil Tina Kitab Perdjangdjian Lawas

Ti Wikipabukon
Tjarijos Para Nabi: Ditoekil Tina Kitab Perdjangdjian Lawas
[ 1 ]

BAGIAN NOE KAHIDJI.


DITJAWISKEUNANA KASALAMĒTAN.

PASAL I.

Babad Bangsa Manoesa Ti Watës Adam Nëpi Ka Ibrahim.

(1 Moesa 1-11.)

§ 1. Didjadikeunana doenya.

( 1 Moesa 1).

1. Dina mimitina Allah ngadjadikeun langit djeung boemi. Děmi boemi teja asalna soewoeng sarta kosong, djeung poëk di loeboereun sagara, sarta Roh Allah ngalajang di loehoereun tjai teja. Tidinja Allah nimbalan: Sing djadi tjaäng! Braj djadi tjaäng. Ladjěng Allah ningali eta tjaäng bade; sarta Allah misahkeun antara tjaäng djeung poëk. Ari eta tjaäng koe Allah dingaranan Beurang, sarta eta poëk koe andjeunna dingaranan Peuting. (1) Harita geus djadi sore sarta geus djadi isoek, poë noe kahidji.

(1) Anoe didamel koe Allah pangheulana pisan keur ngadangdanan boemi, nja eta tjaäng. Sabab ari ieu aja tjaäng mah moestahil aja hiroep.

2. Tidinja Allah nimbalan: Sing aja pipinding dina těngah-tengah tjai, sarta eta teh sing matak misahkeun antara tjai djeung tjai deui, Ladjēng Allah ngadaměl eta pipinding, sarta misahkeun antara tjai anoe sahandapeun pipinding reudjeung tjai anoe saloehoereun pipinding teja. Nja kitoe djadina. Ari pipinding teja koe Allah dingaranan Langit. Harita geus djadi sore sarta geus djadi isoek, poë noe kadoewa.

3. Tidinja Allah nimbalan: Tjai anoe sahandapeun langit [ 2 ]
sing koempoel kana sahidji ěnggon, sarta sing katembong toehoerna. Nja kitoe djadina. Ari toehoerna teja koe Allah dingaranan Darat, sarta pakoempoelan tjai teja koe andjeunna dingaranan Laoetan. Ladjěng Allah ningali eta hade. Tidinja Allah nimbalan: Daratan sing ngabidjilkeun sisikian, kitoe deui tatangkalan noe boewahan, anoe baroewahan saädat-saädatna, anoe sarikian di djěrona dina daratan. Nja kitoe djadina. Ladjěng Allah ningali eta hade. Harita geus djadi sore sarta geus djadi isoek, poë noe katiloe.

Tidinja Allah nimbalan: Sing aja damar-damar dina pipinding langit teja, pikeun misahkeun antara beurang djeung peuting, kitoe deui soepaja djaradi kana tanda, kana mangsa, kana poë djeung kana taoen. Ari Allah ngadaměl eta doewa damar anoe galěde; nja eta damar anoe gěde, eukeur marentahan kana beurang, sarta damar noe rada leutik, eukeur marentahan kana peuting: kitoe deui ngadaměl bentang-bentang. Ladjeng Allah ningali eta hade. Harita geus djadi sore sarta geus djadi isoek, poë noe kaopat.

Tidinja Allah nimbalan: Tjai-tjai sing parinoeh koe noe tinglalenghoj, bangsa noe njawaän hiroep, sarta sing aja manoek-manoek haliběr di loehoereun boemi, di sahandapeun pipinding langit. Seug Allah ngadjadikeun barahala tjai noe galěde, djeung sakabeh bae bangsa noe njawaän hiroep, anoe koemělip, sakoer noe tinglalenghoj di djěro tjai saädat-saädatna, kitoe deui saroepaning manoek, bangsa djangdjangan saädat-saädatna. Ladjēng Allah ningali eta hade. Geus kitoe eta sakabehna koe Allah diběrkahan, kijeu timbalanana: Maraneh sing pada baranahan djeung sing pada ngarékahan. Harita geus djadi sore sarta geus djadi isoek, poë noe kalima.

Tidinja Allah nimbalan: Daratan sing ngabidjilkeun bangsa noe njawaän hiroep saädat-saädatna, nja eta bangsa tjoöeun, djeung noe tingkarajap, sarta djeung sato darat saädat-saädatna. Njakitoe djadina. Ladjěng Allah ningali eta hade. — Tidinja Allah nimbalan: Hajoe, oerang ngadamel manoesa, make kanjataän oerang, koemaha tjara roepa oerang; sarta sina pada poerba ka [ 3 ]
laoek-laoek laoet, djeung ka manoek-manoek awang-awang, kitoe deui ka sato tjoöeun djeung ka sakoeriling boemi, sarta ka sakoer noe ngarajap, anoe tingkarajap di boemi. Seug Allah ngadjadikeun eta manoesa, make kanjataän Allah, toer didjadikeunana hidji lalaki hidji awewe. Ladjěng koe Allah pada diběrkahan, kijeu timbalan Allah ka darinja: Maraneh sing pada baranahan djeung sing pada ngarékahan; koedoe pada minoehan boemi, sarta eta taloekkeun koe maraneh; djeung koedoe pada poerba ka laoek laoek laoet, djeung ka manoek-manoek awang-awang, sarta ka sakabeh sasatoan, anoe tingkarajap di boemi. Geus kitoe Allah nimbalan deui: Masing nganjahokeun, kami teh ka maraneh maparin sakabeh lalab-lalaban noe njébarkeun sisikian, anoe aja di sakoeriling boemi, kitoe deui sakabeh tatangkalan noe baroewahan, noe njěbarkeun sisikian, nja eta keur maraneh, baris hakaneun. Ladjěng Allah ningali sadajana anoe kenging andjeunna ngadaměl teja, tah hade katjida. Harita geus djadi sore sarta geus djadi isoek, poë noe kagěněp.

Nja kitoe langit djeung boemi datang ka tjaratjapna sarta djeung sakabeh balad-baladna. Ari Allah dina poë noe katoedjoeh liren tina sadajana dadamělanana, reudjeung Allah ngaběrkahan kana poë noe katoedjoeh sarta disoetjikeun.

Ari poë sabat teh ditangtoekeun koe Allah, sangkan djalma ngingětkeun kana lirenna Allah tina ngadjadikeunana; kitoe deui keur ngingetkeun kana sabat langgeng, anoe mangke datang; karana tjék Kitab Soetji: „Tinggal keneh reureuh pikeun oemat Allah (Ibr. 4:9). Ari hal liren Allah oelah salah paham. Ari basa: Allah liren, tégěsna: Allah moal kěrsaeun ngadangdanan deui; salěrěsna kěrsaeun ngarawatan ka sakoer noe geus aja; nja eta noe matak Goesti Jesoes ngalahir:„Amakami mah barangdaměl bae dongkap ka ajeuna; kami oge barang daměl nja kitoe deui” (Joh. 5:17).


§ 2. Taman Pirdoes.

( 1 Moesa 2.)

1. Mangsa Allah ngadaměl manoesa, andjeunna njandak taneuh tina daratan, diroepakeun manoesa, bari ladjeng nijoepkeun kana [ 4 ]
lijang iroengna amběkan kahiroepan (¹); noe matak manoesa teh djadi njawa hiroep. Djeung deui Pangeran Allah geus ngadaměl hidji taman di tanah Eden. Sarta Pangeran Allah geus ngabidjilkeun tina taneuh saroepaning tatangkalan, matak résép katendjona sarta hade baris hakaneun; djeung aja hidji tangkal hahiroepan dina těngah-těngah taman teja, kitoe deui hidji tangkal anoe matak njaho kana hade reudjeung goreng. Sarta aja hidji waloengan bidjil ti Eden, pikeun njaian kana taman teja; seug eta ti sěmět dinja njagak, nja djadi kana opat sirah, anoe kijeu ngaranna: Pison, Gihon, Hidekel (tji Tigris) djeung Pěrat (tji Eprat). (²) Geus kitoe manoesa teja koe Pangeran Allah ditjandak, seug dipěrnahkeun di djěro taman Eden, sina ngoeroeskeun ka dinja djeung sina ngadjaga ka dinja. Sarta Pangeran Allah miwarang ka manoesa, kijeu timbalanana: Boewah oenggal-oenggal tangkal dina ijeu taman pek koe maneh hakan; ngan tangkal anoe matak njaho kana hade reudjeung goreng teja mah, eta boewahna poma oelah dek dihakan; karana samangsa maneh ngahakan eta, geus tangtoe maneh teh paeh.

(¹) Koe Napas Allah, nja eta koe Roh Allah, noe ditijoepkeun kana djero iroeng manoesa, noe matak manoesa teh djadi tědak Allah (Lalamp 17: 28, 29) djeung kanjataan Allah.
(²) Ari pěrnahna Pirdoes teja moedoe di mana sirahna tji Tigris djeung tji Eprat, nja eta dina tanah loehoer Armeni. Moenggoeh bangawan anoe doewa deui, taja anoe beunang ditangtoekeun.

2. Geus kitoe Pangeran Allah nimbalan: Moal hade manoesa teh ngan sorangan bae; koe kami rek dipangdamělkeun sahidji batoer pilajaneunana. Karana sanggeus Pangeran Allah ngadjadikeun sakabeh sasatoan těgal djeung sakabeh manoek-manoek awang-awang koe taneuh teja, ladjeng didatangkeun ka Adam. Seug Adam njěboetkeun pingaraneunana; děmi keui manoesa hanteu manggih pikeun pilajaneunana.

Tidinja Pangeran Allah ngaragragkeun katibraän ka Adam; reup sare; ladjěng ditjandak igana sahidji; ari oeroetna ditoe toepan koe daging. Tidinja ngadēgkeun eta iga, nja didaměl [ 5 ]
awewe, bari ladjěng dianteurkeun ka Adam. Pok Adam misaoer: Nja ijeu ajeuna toelang ti toelang kaoela, daging ti daging kaoela! ieu teh koedoe diseboet istri, sabab ijeu ditjandakna ti paměgět. Koe sabab eta djalma bakal ninggalkeun indoeng bapana, toeloej ngarakétan ka pamadjikanana; ari eta doewanana bakal djadi sadaging (¹). Ari Adam djeung pamadjikanana teja doewanana pada satarandjang sarta hanteu araraeun.

(¹) Ari hal nikah teh eta ditangtoskeun koe Allah koe andjeun; ari koe lantaran eta asalna sagala bangsa manoesa noe ngeusian djagat teh sagětih (Lalamp 17:26). Koe doemeh sagala bangsa manoesa sagětih asalna, noe matak manoesa sadaja djadi doeloer pada doeloer, anoe hidji Allahna, anoe moedoe hidji agamana, anoe moedoe hidji pingadjoegdjoegeunana.


§ 3. Manoesa laboeh kana dosa.

(1 Moesa 3.)

1. Ari oraj teh akalna ngoengkoelan ka sakabeh sasatoan těgal. Pok ngomong ka awewe teh: „Na ěnja Allah ngadawoehkeun, maraneh oelah ngahakan boewah oenggal-oenggal tangkal, anoe dina ieu taman?” Ngadjawab awewe ka oraj teh: „Boewah-boewah tatangkalan ijeu taman meunang pisan diharakan koe kaoela, ngan pěrkara boewah tangkal, anoe dina těngah-těngah taman, Allah nimbalan kijeu: Eta koe maraneh poma oelah dek dihakan, sarta oelah dek ditjabak, soepaja maraneh oelah paeh.” Ngomong deui oraj teh ka awewe: „Moal énja maraneh paeh; saệnjana Allah leuwih oeninga, samangsa maraneh ngahakan eta, tangtoe panon maraneh beunta, sarta maraneh pidjadieun sapěrti Allah, nganjahokeun ka noe hade reudjeung ka noe goreng. Tidinja awewe teh nendjo, jen eta tangkal hade keur baris hakaneun, sarta matak panon kabongroj, toer matak résép, estoe tangkal noe bisa mintěrkeun; top njokot boewahna, [ 6 ]bari didahar sakali; malah ngabagi ka tjarogena, toeloej koe Adam didahar.

Sapandjangna eta awewe molahkeun pédanging Roh, tégésna pangandika Allah (Epes. 6: 17), Poerah nyagoda nja apés; balikanan kakarek eta awewe poho kana pangandika Allah sarta nendjo kana tangkal, beh Iblis teh oenggoel. Kitoe tina ngawasna kana boewah teja dihoecdangkeun napsoe anoe tiloe roepa: napsoe daging, sarta napsoe panon, djeung angkoehing hiroep (1 Joh. 2: 16), Sarta ari: „Napsoe teh sanggeusna reunenh toeloej ngadjoeroekeun dosa; kitoe deui dosa, arigeus meudjeuhna gédena toeloej ngadjoeroekeun maot” (Jak, 1: 5).

2. Braj panon doewanana bareunta, sarta pada nganjahokeun jen dirina satarandjang. Tidinja pada ngantet-ngantetkeun daoen kondang, dipake apok. Toeloej Adam djeung geureuhana njoempoetkenn maneh, bawaning sijeun koe Pangeran Allah, [ 7 ]njoesoep kana tatangkalan taman. Ladjéng Adam disaoer koe Pangeran Allah, kijen timbalanana ka dinja: „Naha maneh aja di mana?” Ari pioendjoekna: „Koering ngoeping géntra gamparan di djéro taman, seug koering teh sijeun, sabab koering satarandjang; kitoe noe mawi koering njoempoet.” Ari timbalanana: „Saha noe mere njaho ka maneh, jeu maneh teh satarandjang? Naha maneh teh ngahakan boewah tangkal, anoe koe kami ditimbalkeun ka maneh, jen papatjoewan dihakan teja?” Wangsoelan Adam: Noen, eta awewe paparin gamparan ka koering, nja eta noe merean ka koering boewah tangkal teja, seg koe koering ditéda,” Ladjéng Pangeran Allah nimbalan ka awewe: „Naha maneh migawe kitoe?” Ari wangsoelan awewe: „Soemoehoen, eta oraj ngabobodo ka koering, seg koe koering ditéda.” Geus kitoe Pangeran Allah nimbalan ka orej teja: Sabab maneh migawe kitoe pétana, noe matak maneh dikeunaän panjapa, dibedakeun ti sakabeh sato tjoöeun, sarta ti sakabeh sasatoan tégal. Maneh pileumpangeun koe beuteung, sarta pihakaneun maneh taneuh saoemoer hiroep maneh. Djeung deui kami rek ngadamél soepaja maneh djeung awewe djadi moesoeh, kitoe keneh toeroenan maneh djeung toeroenan awewe; nja eta méngke ngarémoekkeun hoeloe maneh, sarta maneh mingke ngaroeksakkeun keuneung eta.

Koe djalan ngalampahkeun dosa, manoesa teh baba ka Allah, anoet ka Iblis. Koe bawaning kitoe manoesa teh tanwande tjilaka saěnděng-enděng. Tatapi koe Allah didaměl, soepaja Iblis djeung awewe djadi moesoeh. Koe didamělna eta koe Allah dipétakeun, manoesa teh beunang dileupaskeun deui. Ari kaleupasan teh koe Allah didjangdji keur mangsa Allah ugalahir: „Ari toeroenan awewe méngke bakal ngarěmoekkeun hoeloe oraj.” Eta pěrdjangdjian Allab geus kalaksanakeun. Anoe djoeměněng toeroenan awewe anoe saestoe, nja eta Kristoes, Poetra Allah, noe geus dlébrehkeuna pikeun ngaroeksak pagawean Iblis (1 Joh. 3:8).

3. Ka awewe timbalanana kijeu: „Kami ka maneh rek maparin kasoesah loba pisan, geus poegoeh keur maneh reuneuh; bakal ngadjoeroekeun anak-anak djeung kanjérina; sarta maneh bakal mikarép ka salaki maneh, ari eta bakal kawasa ka diri maneh.” [ 8 ]Ari timbalanana ka Adam kijeu: „Sabab maneh ngagoegoe ka omong pamadjikan maneh, noe matak ajeuna boemi teh dikeunaän panjapa koe karana maneh; eta maneh bakal ngipajahan diri maneh ti dinja kalawan kasoesah, saoemoer hiroep maneh. Malah eta bakal ngabidjilkeun keur maneh tjoetjoek-tjoetjoekan reudjeung walang sangit, sarta maneh bakal ngahakan lalab-lalaban těgal. Maneh pingahakaneun rědjěki kalawan kesang dina beungeut, těpi ka maneh moelang deui kana taneuh; karana maneh asal ditjandak ti dinja; karana maneh teh taneuh, bakal moelang deui kana taneuh.

Ari bajaranana dosa teh nja eta maot” (Roem 6: 23). Tegěsna maot djasmani djeung maot rohani. Ari saestoe dek hiroep manoesa teh koedoe satoenggal djeung Allah. Dosa teh noe matak manoesa papisah djeung Allah, anoe djoeméněng Tangkal sakabehna hiroep.

4. Geus kitoe koe Adam pamadjikanana dingaranan Hawa, sabab eta teh piindoengeun sakoer djalma noe hiroep. Djeung deui Pangeran Allah ngadaměl samping koelit keur Adam sarta keur pamadjikanana, bari seug dipakekeun ka darinja. Geus kitoe Pangeran Allah nimbalan: „Tah, manoesa geus djadi saperti diri oerang sahidji, njahoëun ka noe hade reudjeung noe goreng; ari ajeuna sina oelah njodorkeun leungeunna, njokot deui boewah tangkal kahiroepan, seg dihakan, toeloej hiroep salalanggéngna. Gantjangna koe Pangeran Allah ditoendoeng ti djēro taman Eden, soepaja migawe taneuh. Ladjěng ti wetaneun taman Eden měrěnahkeun moekarabin, sarta djeung pēdang anoe ngaboerinjaj moelak-malik, baris ngadjaga djalan kana tangkal kahiroepan teja.

Didjongklokkeunana tina Pirdoes, djadi siksaan Allah kana dosa. Kitoe deui maot djasmani djeung maot rohani. Tatapi koe sih-koernija Allah dipětakeun, ari djalma noe kaleungitan koe Pirdoes djeung noe kaleungitan koe njawana bakal meunang deui Pirdoes djeung kabageanan deui koe hiroep anoe langgeng, nja eta lamoen djalma dek tobat djeung pěrtjaja ka Djoeroe-salamět, noe didjangdji koe Allah dina Pirdoes, sarta noe geus goemping ari geus djédjeg djaman.

[ 9 ]

§ 4. Kain djeung Habil, sarta toeroenan
Kain djeung Set.

(1 Moesa 4, 5.)

1. Mangsa Hawa ngowokeun anakna noe tjikal, seug njaoer, kijeu pokna: „Aing meunang lalaki ti Pangeran.” Toeloej dingaranan Kain (těgěsna Pakarang). Ari adina dingaranan Habil (těgěsna Napas). (¹) Seug Habil djadi pangangon domba, děmi Kain djadi ahli tani. Ari geus kitoe, meunang sababaraha lilana, seug Kain njanggakeun pangabakti ka Pangeran, njokot tina hasil taneuh. Ari


Habil pon kitoe keneh njanggakeun, njokot tina tjikal-tjikal dombana sarta tina gadjihna. Ladjěng Pangeran ningali ka Habil djeung ka pangabaktina; děmi ka Kain djeung pangabaktina hanteu pisan ningali. Heug Kain teh panas katjida, sarta toengkoel beungeutna. Tidinja Pangeran nimbalan ka [ 10 ]Kain: „Koe naon maneh noe matak panas, sarta beungeut maneh naha mana toengkoel? Geus tangtoe, oepama maneh migawe kahadean, bisa tjěngkat; sabalikna oepama hanteu migawe kahadean mah, dosa geus ngaděpong di hareupeun lawang, sarta ngarah ka maneh; ari maneh teh masing kawasa ka dinja.”

(¹) Mangsa Kain didjoeroekeun, Hawa teh aja panjana, nja eta noe bakal ngelehkeun toekang ngagoda. Kitoe noe matak boedak teh dingaranan Kain, těgěsna: Pakarang. Tatapi moal lila deui manahna geus tērangeun, jeu salah panjanana. Koe tina sabab eta, mangsa Habil didjoeroekeun, eta dingaranan Napas, sabab pangharěpanana moenggoeh Kain lěs leungit, kawas napas. „Ari hate djalma djoelig ti batan saniskara, estoe gering katjida eta teh; saha noe pinjahoěun?” Jěr. 17:9.

2. Pok Kain ngomong ha Habil adina. Geus kitoe keur mangsa araja di těgal, pek Kain teh dangdan, ngarontok ka Habil adina, sarta dipaehan sakali. Tidinja Pangeran nimbalan ka Kain: „Di mana Habil, adi maneh?” Ari wangsoelanana: „Doeka teuing! Naha koering koedoe ngadjaga ka doeloer?” Timbalanana deui: „Naha maneh migawe naon? Aja sowara gětih adi maneh sasambat ka kami tina taneuh. Samangsa maneh migawe taneuh, moal ngabidjilkeun deui kahasilanana ka maneh; eta maneh bakal ngalantoer oeprak-aproek di boemi.” Oendjoekan Kain ka Pangeran: „Siksaän koering gěde teuing, moal beunang ditanggoeng! Sing saha-saha noe měndak ka koering, tinangtos maehan ka koering.” Děmi timbalan Pangeran ka dinja: „Koe sabab eta, saha-saha noe maehan ka Kain, bakal dibalės toedjoeh patikēlaneun.” Malah-malah Pangeran maparin tanda ka Kain, soepaja oelah dipaehan koe noe manggih ka manehanana.

3. Tidinja pamadjikan Kain ngadjoeroekeun Hanok. Geus kitoe Kain njijeun hidji nagara, sarta eta nagara dingaranan Hanok, noeroetkeun ngaran anakna. Aja toeroenan Hanok, noe ngaran Lamek. Ari Lamek teh boga doewa pamadjikan; ngaran noe hidji Adah, ari ngaran noe hidji deui Silah. Ari Adah ngadjoeroekeun Jabal; nja eta noe djadi bapa sakoer noe ngěnggonna make himah djeung boga ingon-ingon. Ari ngaran adina Joebal; nja eta noe djadi bapa sakabeh toekang ngatjapi djeung toekang [ 11 ]
njoeling. Děmi Silah kitoe keneh ngadjoeroekeun Toebalkain; nja eta djadi toekang neupa, njijeun saroepaning parabot tambaga djeung beusi. Sarta Toebalkain boga doeloer awewe, Naäma. Ari Lamek teja ngomong ka pamadjikanana kijeu: Eh Adah djeung Silah! darengekeun sowara kami. Eb pamadjikan Lamek! régěpkeun ijeu kasaoeran kami. Poegoeh kami geus maehan hidji djalma, doemeh kami raheut; kitoe deui hidji boedjang, doemeh kami běntjoet. Karana Kain dipangmaléskeun toedjoeh patikėlaneun, děmi Lamek mah malesna toedjoeh poeloeh patikělaneun.

Ari toeroenan Kain toenggal satapak djeung karoehoenna, noe matak eta beuki lila beuki anggang ti Allah. Ngarěmpak papakon Allah koe djalan njandoeng, ngarogahala, lampah koemalantjang, soeka malėskeun, soeka ngaděgkeun nagri, ngarah kana kawasa di doenya, résép kana kangeunahan doenya: tah, nja eta anoe diotjek, nja eta anoe djadi kasalametanana.

4. Mangsa Adam 130 taoen oemoerna, meunang poetra noe dingaranan Set (těgěsna Pangganti); karana saoer Hawa: „Allah maparin deui toeroenan ka aing, ngagantian Habil.” Ari Adam hiroep 930 taoen, toeloej maot. Ari Set teh meunang poetra lalaki, sarta dingaranan Enos. Mangsa harita djalma-djalma ngamimitian njeboet padjěněngan Pangeran. Toeroenan katoedjoehna ti Adam ngaran Hanok. Koe eta diwědjang ka djalma noe moengkir ti Pangeran, lahiranana kijeu: „Toeh Pangeran geus soemping, pangiringna para-soetji bareboe-reboe kagoenganana, bade ngahoekoeman ka djalma sakabeh, sarta njiksa ka sakoer noe doraka” (Joedas 14). Ari Hanok doemeh koe mampahna sasarēngan djeung Allah, seug koe Allah ditjandak, hanteu dongkap ka maot. Poetra Hanok ngaran Mětoesalah; nja eta meunang oemoer 969 taoen. Mětoesalah poepoetra Lamek, sarta Lamek poepoetra Enoh, bari njaoer kijeu: „Ijeu teh měngke ngalilipoer ka oerang tina sabab pagawean oerang djeung tina sabab kasoesahan leungeun oerang, tina sabab boemi noe disapa koe Pangeran.” Enoh nja toeroenan kasapoeloeh ti Adam.

Ari toeroenan Set djadi lalawanan djeung toeroenan Kain. Nja eta anoe djadi oejah boemi. Di lebah maranehanana saěnděng-ěnděng [ 12 ]
araja noe ibadah, noe ngalampahkeun agama, noe përtjaja kana perdjangdjian Allah. Ari boektina nja eta pilahir Lamek keur mangsa Ěnoh bade diowokeun: Ijeu teh měngke ngalilipoer ka oerang tina sabab pagawean oerang djeung tina sabab kasoesahan leungeun oerang, tina sabab boemi noe disapa koe Pangeran.”


§ 5. Tjaäh gěde.

( 1 Moesa 6– 9.)

1. Mangsa manoesa ngamimitian ngalobaän di boemi, seug para poetra Allah narendjo ka anak-anak manoesa noe awewe, katendjo jen eta gareulis; toeloej pada njokot pipamadjikaneun keur daririna ti sakoer noe kapilih koe maranehanana. Kitoe noe matak kadorakaän djadi loembrah di palěbah toeroenan Set ongkoh. Tidinja Pangeran nimbalan: „Roh kami moal madoean ka manoesa salalanggéngna tina hal kasalahanana; geus daging maloeloe eta teh; ngan rek ditempoan 120 taoen.” Ana geus katingali koe Pangeran, jen gěde kagorengan manoesa di boemi, sarta sakabeh rarasaän pamikir hatena woengkoel goreng bae sapopoë, ladjěng Pangeran handjakaleun ngadaměl manoesa teh di boemi. Děmi Enoh mah měndak koernija dina sotja Pangeran, sabab moersideun sarta djadi poerah ngoewarkeun kaběněran (2 Petr. 2 : 5). Tidinja Allah nimbalan ka Enoh: „Saniskara daging geus népi ka panoengtoengan di pajoeneun kami, karana boemi teh geus pinoeh koe panganijaja ti maranehanana; satěměnna, maranehanana koe kami rek diroeksakkeun katoet boemina. Maneh geura njijeun hidji kapal; koedoe dipangkengan, sarta didjijeunna koe maneh koedoe kijeu: 300 asta pipalajoeëun kapal, 50 asta panggěrětna djeung 30 asta loehoerna; toer koedoe make tiloe oendakan. Karana kami teh, satěměnna, rek ngadatangkeun tjaäh gede ka boemi. Demi ka maneh mah kami rek ngadēgkeun pěrdjangdjian kami; mana maneh koedoe asoep kana kapal teja, nja diri maneh sarta djeung anak-rabi maneh, kitoe deui pamadjikan anak-anak maneh, babarěngan djeung maneh. Djeung deui ti saniskara noe hiroep di darat, tina saroepaning sato noe halal (nja eta noe sok dipake [ 13 ]kana koerban) maneh koedoe njokot toedjoeh-toedjoeh siki, lalaki djeung awewena; děmi tina sato noe hanteu halal mah doewa siki bae, soepaja ngahiroepan baris bibit dina satonggong boemi . Djeung koedoe njokot saroepaning kahakanan baris piběkěleun keur diri maneh sarta keur eta sakabeh.” Satimbalan teja koe Enoh dilampahkeun, sarta koe djalan kitoe meunang milik kana kaběněran, noe asal ti kapěrtjajaän (Ibr. 11 : 7.)

Ngawoeroekna nabi Enoh anoe tadi wéleh bae. Ngawoeroekna koe djalan njijeun kapal eta pohara ti batan ngawoeroekna tadi, tatapi wéleh deui bae. Djalma-djalma teu pertjajaeun bae. Tjék Kitab Soetji: „Tjaralalampahan djalma keur mangsa samemehna tjaäh géde teja, ngan njaratoe-nginoem, ngarawin djeung dika rawinkeun, nepi ka poëan Enoh asoep ka na kapal teja, sarta hanteu diim ankeun népi ka datangna tjaäh gede, noe ngaleungitkeun ka eta sakabehna, nja kitoe pisan pisoempingeunana Poetra manoesa teh.” Mat. 24: 38,39.
[ 14 ]2. Mangsa oemoer Ěnoh dongkap ka 600 taoen, seug tjäh gěde teja datang ka boemi. Tidinja Enoh lěbět, ari poetra-poetrana, anoe ngaran: Sem, Ham djeung Japet, sarta geureuha andjeunna djeung geureuha poetra-poetrana ditjandak kana kapal, njingkahan tjai tjaäh teja. Tina saroepaning sato daratang kana kapal, sakoemaha timbalan Allah ka Enoh teja. Ladjeng Pangeran meundeutkeun satoekangeun Enoh. Dina boelan noe kadoewa, tanggal 17, nja dina poë eta sakabeh soemoer sagara gěde dibarědahkeun, djeung sagala peundeut langit dibaroekakeun. Geus kitoe ka boemi ngětjrěk hoedjan, 40 poë 40 peuting lilana. Ari tjai teh katjida pisan nja ngarosaän di boemi, wani kakėlėm sakabeh goenoeng laloehoer, tépi ka 15 asta tina 'saloehoereun eta; seg kapal leumpang dina tonggong tjai. Saniskara noe aja amběkan soekma hiroep dina iroengna, naon bae noe di darat, paraeh kabeh; ngan kari Enoh bae sarta noe sasarěngan djeung andjeunna di djěro kapal teja. Děmi ngarosaänana tjai teh di boemi 150 poë lilana. Tidinja Allah emoeteun ka Enoh; ladjěng ngadatangkeun angin, njorang ka boemi; seug tjai teh ngorotan. Ari soemoer sagara reudjeung peundeut langit teja ditaroetoep, sarta hoedjan ti langit teja dieureunkeun, anoe matak tjai teh aloendoer deui ti loehoer. Děmi dina boelan noe katoedjoeh, dina tanggal 17, seug kapal teh reureuh di pigoenoengan Ararat. Dina boelan noe kasapoeloeh, dina tanggal hidji, beh katendjo poentjak goenoeng-goenoeng. Barang geus meunang 40 poë, toeloej Enoh ngaboekakeun djandela kapal, sarta ngaleupaskeun gagakna; seug hiběr poelang-anting, tepi ka saät tjaina tina loehoer boemi. Tidinja ngaleupaskeun djapatina ti enggon andjeunna. Děmi djapati teh hanteu manggih pigeusaneun eunteup; toeloej balik deui ka andjeunna kana kapal. Gantjang Enoh njodorkeun pananganana, djapatina ditjandak, bari diasoepkeun deui ka ënggon andjeunna, kana kapal. Tidinja Ěnoh ngantosan 7 poë deui, seug djapati teh dileupaskeun deui tina kapal. Ari wantji sore djapati teh datang deui ka andjeunna; doemadakan, dina pamatoekna mawa poetjoek djetoen beunang mětik. Tidinja [ 15 ]
ngantosan deui 7 poë, seug djapati teh dileupaskeun deui; ari ajeuna mah hanteu balik deui ka andjeunna. Toeloej Enoh ngalaän toetoep kapal, bari seug roeroet-reret; doemadakan, darat teh geus saät, nja eta dina taoen noe kadoewa, dina boelan noe kadoewa, dina tanggal 21.

3. Tidinja Allah ngandika ka Enoh, kijeu timbalanana: „Maneh geura kaloewar tina kapal, nja maneh djeung sakoer anoe reureudjeungan djeung maneh." Geus kitoe Enoh kaloewar. Tidinja ngadaměl hidji altar bade ka Pangeran, seug koerban doeroekan dikoerbankeun dina eta altar. Ana kaängseu koe Pangeran eta baoena noe seungit, ladjěng Pangeran nimbalan sadjero manahna: „Kami hamo njapa-njapa deui ka boemi koe karana manoesa, da rarasaän hate manoesa teh goreng bae ti boeboedakna. Ka hareupna mah sapandjang oemoer boemi, mangsa sěbar reudjeung mangsa diboewat, tiis reudjeung panas, oesoem halodo reudjeung oesoem hoedjan, kitoe deui beurang reudjeung peuting, moal eureun-eureun.” Tidinja Allah ngaběrkahan ka Enoh djeung ka poetra-poetrana, kijeu timbalanana ka darinja: „Maraneh sing pada baranahan djeung sing pada ngarékahan; koedoe pada minoehan boemi. Eta maraneh sing dipikasijeun djeung dipikareuwas koe sakabeh sasatoan boemi djeung koe sakabeh manoek-manoek awang-awang, koe saniskara bae noe koemělip di darat, sarta koe sakabeh laoek laoet. Saniskara noe koemělip, sakoer anoe hiroep, baris pihakaneun maraneh; kabeh ge koe kami dipaparinkeun ka maraneh, saperti sipat noe haredjo, lalab-lalaban teja bae. Ngan maraneh oelah dek ngahakan laoek kalawan njawana, těgěsna gětihna. Saha- saha noe ngoetjoerkeun gětih manoesa, nja eta gětihna koe manoesa koedoe dikoetjoerkeun deui, karana manoesa didamělna make kanjataän Allah.” Tidinja Allah nimbalan deui ka Enoh, kijeu timbalanana: „Ari kami teh, satěměnna, ngadegkeun pěrdjangdjian kami ka maraneh, kitoe deui ka sakabeh noe njawaän hiroep, anoe reureudjeungan djeung maraneh; nja eta saniskara daging moal rek dibasmi deui koe lantaran tjai tjaäh. Kami geus maparin katoembiri [ 16 ]
dina moga; nja eta noe djadi tanda pěrdjangdjian di antara kami djeung boemi. Satijap-tijap kami ngadatangkeun mega ka loehoereun boemi, seug katoembiri teh pikatembongeun dina mega. Didinja kami teh tangtoe ngingětkeun kana pěrdjangdjian kami.

Ari perdjangdjian Allah ka nabi Enoh ninggang kana sakabehna mahloek, lain kana bangsa manoesa bae, kana bangsa sato ongkoh. Koe Allah didjangdji, kérsaeun ngarawatan sakoer anoe aja, nadjan rarasaän hate manoesa teh goreng bae ti boeboedakna.


§ 6. Toeroenan Enoh.

(1 Moesa 9, 11.)

1. Ari Enoh ngamimitian djadi ahli tani, sarta toeloej ngěbon anggoer. Hidji waktoe ngaleueut anggoer beunangna, seug mabok, toeloej ebog di tengah himahna bari poeroetjoel. Ari Ham, rama Kanaän teja, nendjo orat ramana; toeloej poepoelih ka doewa saderekna, anoe di loewar. Gantjang Sem djeung Japet njokot haroedoem, seug koe doewanana diteundeun dina taktakna, toeloej leumpang bari noekang, seug noetoepan orat ramana. Ana geus tanghi Enoh, sarta oeningaeun anoe koe poetrana noe boengsoe dilampahkeun ka andjeunna teja, toeloej ngalahir kijeu: „Si Kanaän dikeunaän panjapa; sing djadi abdi panghandap-handapna, ngawoela ka doeloer-doeloerna!” Lahirna deui: „Sagala poedji ka Pangeran, Allah Sem; ari Kanaän mah sing ngawoela ka dinja! Allah moegi ngalēgakeun ka Japet, sarta sing datang ka ngěnggonan di djěro himah Sem; ari Kanaän mah sing ngawoela ka dinja!” Děmi hiroep Enoh ti sanggeus tjaäh teja 350 taoen deui. Djadi djoemlah oemoer Enoh 950 taoen; toeloej maot.

2. Ari djalma saboemi kabeh sabasa saomong. Děmi geus kitoe, hidji mangsa arindit ka wetan, manggih hidji lěbak di tanah Sinar (nja eta di antara tji Tigris djeung tji Pěrat); toeloej maratoeh di dinja. Pok ngaromong batoer pada batoer: „Hajoe, oerang njijeun hidji nagara keur diri oerang, sarta hidji [ 17 ]
papanggoengan, ari poentjakna masing něpi ka langit; nja eta oerang teh, hajoe, njijeun anoe matak mashoer diri oerang; soepaja oerang oelah pabalễntjar dina satonggong boemi!” Tidinja Pangeran loengsoer, ningalian eta nagara reudjeung eta papanggoengan, anoe keur didjijeun koe anak Adam teja. Sarta Pangeran nimbalan: „,Tah, eta teh toenggal sabangsa, djeung sakabeh ge hidji basana, sarta ijeu noe koe maranehanana geus dimimitian didjijeun; ari ajeuna teh moal beunang dihalangan, naon bae anoe koe maranehanana dikarépkeun didjijeun. Hajoe, oerang loengsoer, oerang koesoetkeun di dinja basana, masingna hidji-hidji oelah ngaharti ka basa batoerna.” Ladjěng eta teh koe Pangeran dipabalèntjarkeun ti dinja, diajakeun di satonggong boemi, mana areureun njijeun eta nagara. Kitoe noe matak eta nagara disěboetkeun Baboel (těgěsna koesoet).

Ari dosana eta djalma, nja eta daraekeun njijeun anoe matak mashoer dirina, tegesna daraekeun njijeun moenara andělkeuneun. Anoe moedoe dianděl, nja eta Allah, tatapi Allah teh teu kadeuleu, moenara teh kadeuleu. Nganděl ka Allah noe teu kadeuleu eta hese keur djalma dosa. Ngandėl kana barang anoe beunang njijeun koe diri sorangan bahari keur djalma dosa. Harita mimiti agama oerang kapir; karana agama oerang kapir, nja eta pěrtjaja djeung nganděl lain ka Allah, noe ngadaměl langit djeung boemi, saệnjana ka noe beunang njijeun koe leungeunna atawa koe akal hatena.

3. Eta teh kapilampahna keur mangsa aja toeroenan ti Sem noe kaopat, djaman Peleg; anoe kitoe ngaranna, sabab dina djamanna eusi boemi teh dipabalēntjarkeun. Děmi {sp|Namroed}}, intjoe Ham, djadi djalma noe gěde pisan kawasana di boemi, sarta djadi toekang moro, anoe kawasa di pajoeneun Pangeran. Ari pawitan karadjaänana, nja eta Baboel. Geus kitoe Namroed teh ngaděgkeun Niněwe, tanah Asoer, djeung loba nagara deui. Děmi toeroenan poetra nabi Enoh anoe tiloe pada ngeusian sakabehna tanah.

Ari toeroenan Ham pada tjaritjing di tanah-tanah anoe sabeulah ti kidoel boemi ijeu, nja eta tanah bobodjong di Asia, nja eta tanah Hindi djeung tanah Arab. Kitoe deui tanah Aprika. Děmi toeroenan Sem pada tjaritjing di tanah Asia-tengah, djeung toeroenan Japet pada tjaritjing di tanah Asia sabeulah ti kaler djeung di satanah Eropa.

[ 18 ]

PASAL II.

Babad Karoehoen Bangsa Israil.

§ 7. Tanah soetji.

1. Děmi bangsa-bangsa anoe loba koe Allah diantěpan, sina eta noeroetkenn djalan sakarěp-sakarěpna bae (Lalamp 14 : 16), sarta koe andjeunna dipastenkeun pililaeun djaman-djamanna sarta watěs-watěs pangtjitjinganana, soepaja pada nejangan Pangeran, malah-mandar datang ka karampa sarta kapanggih (Lalamp. 17: 26, 27). Tatapi soepaja papastening kērsa Allah ditagonkeun djeung dilakonan, koe Allah dipilih sahidji djalma, ari tina toeroenanana bakal ka loewar kasalamětan eukeur bangsa-bangsa sadaja. Keur eta djalma sarawoeh djeung toeroenanana koe Allah dipilih hidji tanah, di mana bangsa teh bisa tjitjing papisah djeung bangsa anoe loba, djeung soepaja eta beunang dimoemoele keur pimangpaäteun bangsa anoe loba. Eta tanah teh, nja eta tanah Palestina. Djaman nabi Ibrahim, masih tjaritjing di dinja toeroenan Kanaän. Di sabeulah ti koelon tanah teh diwatěsan koe laoet Mediterane; di sabeulah ti kaler koe pigoenoengan Libanon; di sabeulah ti wetan koe těgal kikisik Sam, djeung di sabeulah ti kidoel koe těgal kikisik Arab. Tégěsna di sabeulah ti koelon aja laoet, di sabeulah ti kaler aja goenoeng noe loehoer, di sabeulah ti wetan djeung ti kidoel aja těgal kikisik; noe matak toeroenan Ibrahim hanteu babari tjampoer djeung bangsa-bangsa noe saredjen. Parandene kitoe, bangsa Israil ongkoh ajana di těngah-těngah bangsa galěde, anoe tjaritjing di tanah Eropa, tanah Asia djeung tanah Aprika. Nja kitoe tanah teh pěrnah pisan djadi těmpat ngamoemoele karadjaän Allah, sabab eta tanah dipenggěl koe laoet, koe goenoeng djeung koe těgal kikisik tina bangsa kapir; sarta ari karadjaän geus meudjeuhna gědena, toeloej babari boebar ka mana-mana, sabab tanah teh ajana di těngah-těngah tiloe bagian boemi. [ 19 ]2. Palestina dibagi doewa bagian koe tji Jordan, anoe sirahna di pigoenoengan Libanon; ti dinja ngotjorna ka kidoel, těroes ka danoe Merom; toeloej ka danoe Genesaret (eta sok disěboet laoet Galilea atawa laoet Tiberias). Moeharana dina laoet Paeh atawa laoet Oejah. Eta laoet Galilea djadi titiron djeung enggon běrkah. Dina djěro tjaina loba laoek, sarta ari sisi-sisina matak waäs koe bawaning aheng těmpatna djeung loba hasilna. Sabalikna laoet Paeh teh djadi titiron djeung ěnggon panjapa djeung maot. Tjaina kimpel; di dinja laoek teu bisaeun hiroep; sisi-sisina djadi karang boeliklak, anoe katjida neuhakna; hawa di dinja katjida panasna, anoe matak tjai laoet teh teu eureun-eureun njěrotna. Nadjan aja loba tjai waloengan anoe moeharana kana laoet Paeh, tjai laoet Paeh tara beungkah. Di tanah Palestina sabeulah ti wetan aja opat waloengan anoe rada galėde, nja eta tji Jarmoek djeung tji Jabok, noe ngamoeharaän kana tji Jordan; tji Arnon djeung tji Sared, anoe ngamoeharaän kana laoet Paeh. Di tanah Palestina sabeulah ti koelon teu pati aja wahangan noe galěde.

3. Ti Goenoeng Libanon aja doewa gěgěnděng, ngoedjoerna ti kaler ka kidoel. Gěgěnděng anoe hidji ajana beh dijeu tji Jordan; gěgěnděng anoe hidji deui beh ditoe tji Jordan. Eta tanah anoe koeloneun tji Jordan djadi pigoenoengan djeung tanah datar. Di mana pigoenoengan aja loba lebak, djeung gawir djeung wahangan. Ti sisi laoet tanah teh nandjak, dongkap ka loehoerna 2000-3000 kaki; geus kitoe katjida moedoenna, dongkap ka tji Jordan. Kira-kira di těngah-těngahna tanah eta, aja tanah, datar Jisrel ngaranna; eta kawatěsan koe laoet Mediterane djeung koe tji Jordan. Di sabeulah ti kaler aja tanah loehoer Galilea. Di dinja tanah teh teu pati aja bedana, eta meh sakaroepa di mana-mana. Di sabeulah ti kidoel aja pigoenoengan Epraim (Samaria) djeung pigoenoengan Joeda. Di tanah datar Jisrel aja tji Kison, anoe ngamoeharaän kana laoet Mediterane, dina toetoegan goenoeng Karmel. Tanah datar anoe kalereun goenoeng Karmel, nja eta [ 20 ]
tanah datar Ako; anoe kidoeleun goenoeng Karmel, nja eta tanah datar Saron djeung deui tanah datar Sepela. Tanah loehoer anoe wetaneun tji Jordan patingarěmbat koe wahangan anoe djěro sarta neuhak pisan pinggirna. Di dinja aja loba sampalan. Tanah datar anoe wetaneun tji Jordan, anoe sabeulah ti kaler ngaranna tanah Basan, anoe sabeulah ti kidoel tanah Gilad.


§ 8. Abram disaoer koe Allah, toeloej pindah ka tanah Kanaän.

(1 Moesa 12 djeung 13).

1. Toeroenan Sem anoe kasalapan, ngaran Terah. Eta, sarawoeh djeung poetrana noe ngaran Abram, Nahor djeung Haran, matoeh di tanah Kasdim, nagara 0er, ěnggon Haran maot. Ari Terah sarawoeh djeung poetrana pada pindah ka tanah Haran, toeloej matoeh di dinja. Dina mangsa harita Terah teh njěmbah kana aällahan (tendjokeun Jos. 24:2). Dina hidji mangsa aja timbalan Pangeran ka Abram: „Maneh geura ijang ti tanah maneh, djeung ti sanak-baraja maneh, sarta ti imah bapa maneh, leumpang ka hidji tanah, anoe koe kami rek ditoedoehkeun ka maneh. Geus kitoe maneh koe kami rek didaměl hidji bangsa gěde, sarta kami rek ngaběrkahan ka maneh djeung digědekeun ngaran maneh, malah maneh pidjadieun matak berkah; sarta di djero maneh sakabehna bangsa di boemi bakal pada kaběrkahan.” Bral Abram angkat kadoewa Sarai geureuhana. Sarta Ěloet, poetra saderekna, ngiring. Ari geus darongkap ka tanah Kanaän, deukeut nagara Sěkem, dongkap ka ki pasang More, tidinja Pangeran nembongan ka Abram, bari nimbalan kijeu: „Tanah ijeu koe kami rek dipaparinkeun ka toeroenan maneh." Toeloej Abram ngadaměl hidji altar di dinja bade ka Pangeran.

2. Ari Éloet oge kagoengan domba djeung sapi, sarta himah reja pisan. Děmi eta tanah hanteu koewat koe Abram djeung Eloet ditjalikan sasarěngan. Geus kitoe taroekang ngangon [ 21 ]
ingon-ingon Abram djadi paseja djeung taroekang ngangon ingon-ingon Éloet. Toeloej Abram ngalahir ka Ěloet: „Atoeh oelah aja pasěndatan di antara oewa djeung agoes, karana oerang teh doeloer. Naha satarah kabeh lain aja di hareupeun agoes? Měnding misah bae ti oewa. Oepama agoes hajang ngentja, oewa dek ngatoehoe; sabalikna oepama agoes bajang ngatoehoe, Oewa dek ngentja.” Toeloej Ěloet teh milih sakoeriling tanah lempar pělěbah tji Jordan; samemeh Pangeran ngaroeksakkeun nagara Sadoemoe djeung Gomora, eta enggon soegih tjai, lir taman Pangeran teja. Ari Eloet masang himah těpi ka nagara Sadoemoe. Děmi oerang Sadoemoe djalma garoreng, pada migawe dosa ka Pangeran banget katjida. Tidinja Pangeran nimbalan ka Abram, sanggeusna Éloet misah ti andjeunna, nja kijeu: „Geura tjếngkat panon maneh, koedoe nendjo ti enggon anoe keur diajaän koe meneh; karana sakoeriling tanah, anoe katendjo koe maneh, koe kami rek dipaparinkeun ka maneh djeung ka toeroenan maneh salalanggěngna.” Tidinja Abram tjalik di ki pasang Mamre, anoe di nagara Hebron, sarta nga daměl hidji altar di dinja bade ka Pangeran.


§ 9. Kědor-Laomer djeung Melkisidik.

( 1 Moesa 14).

1. Ari geus kitoe Kědor-Laomer, radja Elam, ngadegkeun pěrang ka radja-radja Sadoemoe djeung Gomora. Eta geus 12 taoen lilana pada koemawoela ka Kědor-Laomer teja, děmi katiloe wělas taoenna pada baha. Ari mangsa kaopat-wělas taoenna Kědor-Laomer pek ngelehkeun radja-radja teja; toeloej njokot sakabeh radja-kaja Sadoemoe djeung Gomora, kitoe deui sakabeh kahiroepanana. Malah mawa Éloet, poetra saderek Abram teja. Hol aja hidji kakaboeran, ngoeninga ka Abram. Gantjang ngaboedalkeun sakoer anoe beunang andjeunna mitoetoeran, anoe asal didjoeroekeun di boemina, 318 djalma. Toeloej sakait djeung rentjangna, nja eta radja-radja Aner, Eskol reudjeung Mamre; seug ngoedag-ngoedag balad Kědor-Laomer, ditěmpoeh ti peuting, [ 22 ]
diëlehkeun; tidinja moelih, sakabeh radja-kaja di tjandak; samalah Ěloet soewanna koe andjeunna ditjandak moelih sarta djeung radja-kajana; ari awewe-awewe sarta reudjeung bala pon kitoe keneh.

2. Djol Melkisidik, radja Salem, mapagkeun Abram, sarta ngaloewarkeun roti djeung anggoer. Ari eta teh panghoeloe Allah noe langkoeng agoeng. Sarta ladjeng ngaběrkahan ka Abram, kijeu lahirna: „Moegi-moegi sing diběrkahan Abram koe Allah noe langkoeng agoeng, noe kagoengan langit djeung boemi. Sagala poedji ka Allah noe langkoeng agoeng, anoe geus njelehkeun moesoeh-moesoeh andjeun ka panangan andjeun.” Seug koe Abram dihatoeranan sapěrpoeloehna tina sakabeh barang. Pok radja Sadoemoe misaoer ka Abram: „Djalmana moegi paparinkeun ka kaoela, doepi radja-kajana mah sae tjandak koe andjeun.” Děmi walonan Abram ka radja Sadoemoe: „Kaoela ngatjoengkeun leungeun ka Pangeran, Allah noe langkoeng agoeng, noe kagoengan langit djeung boemi, hamo pisan kaoela njokot, nadjan běnang sakoekoelar, sarta nadjan tali taroempah salambar, atawa naon bae anoe djadi banda sampejan, bisi sampejan misaoer kijeu: Aing noe ngabeungharkeun Abram. Ngan kadjaba noe dihakan koe baroedjang, djeung bagian ijeu djalma-djalma anoe miloe djeung kaoela, Aner, Eskol reudjeung Mamre, nja eta sina njarokot pibagianeunana.”

Dina Djaboer 110:4 aja pangandika Allah kana Djoeroe-salamět anoe kijeu: „Maneh teh Panghoeloe salalanggěngna, sakoemaha panata Melkisidik. Těgěsna Melkisidik teh didjadikeun kalangkang Kristoes. Eta pěrkara boekti deui koe pilahir rasoel dina serat ka oerang Ibrani, pasal 7.


§ 10. Kapěrtjajaän Abram djeung pěrdjangdjian Allah ka Abram.

( 1 Moesa 15-17).

1. Sanggeusing pěrkara noe tadi teja, aja pangandika Pangeran ka Abram dina tetendjoan, kijeu pangandikana: „Eh Abram! maneh oelah sijeun-sijeun. Ijeu kami kėpěng maneh, gandjaran [ 23 ]
maneh anoe leuwih gěde.” Děmi pioendjoek Abram: „Noen Goesti Pangeran! andjeun kěrsa maparin naon ka simkoering? Ari simkoering teh měngke wangsoel teu nilarkeun anak, sarěng noe pigadoeheun rorompok simkoering, nja eta poen Eliëser, oerang Damsik teja.” Sihoreng aja pangandika Pangeran ka andjeunna, kijeu pangandikana: „Lain eta noe pidjadieun ahli waris maneh; ěnjana mah noe pibidjileun ti awak maneh, nja eta noe pidjadieun ahli waris maneh." Geus kitoe dipiwarang bidjil kaloewar; ladjěng ditimbalan kijeu: „Geura tanggah ka langit, bilang bentang-bentang, lamoen maneh bisa milangan tamah. Pikitoeëun toeroenan maneh.” Ari Abram pěrtjaja ka Pangeran, sarta eta koe Pangeran diëtangkeun djadi kaběněranana.

Ti watės aja dosa, manoesa moal bisa ngaběněrkeun diri manehna; koe panggawe hade ge moal bisaeun. Tatapi toemoet pa pastening kěrsa Allah manoesa beunang diběněrkeun koe djalan kapěrtjajaänana kana kasalamětan, beunang ngadaměl Allah. Eta kasalamětan harita tatjan boekti, kakarek aja pěrdjangdjian hal kasalamětan teja. Eta pěrdjangdjian koe Ibrahim dipertjaja, nja eta anoe matak kapěrtjajaänana diitoengkeun djadi kaběněranana, malah noe matak andjeunna teh didjadikeun ramaning djalma pertjaja.

2. Děmi Saraï, geureuha Abram, hanteu poetraän. Hidji mangsa mihatoerna ka Abram: „Soemangga andjeun ngalěbětan ka eusi-imah koering, malah-mandar koering diaděgkeun ti lantaran eta.” Ari Abram noeroetkeun kana kasaoeran Saraï. Toeloej Hadjar, oerang Měsir, eusi-boemi teja, koe Saraï disanggakeun ka Abram, sina dianggo garwa. Ana Hadjar geus těrangeun, jen dirina reuneuh, toeloej djoeraganana istri koe pangrasa manehanana hina. Kitoe noe matak koe Sarai dirěndahkeun; bijoer kaboer ti pajoeneunana. Geus kitoe Hadjar kapěndak koe Malaikat Pangeran di těgal lėga. Pok ngalahir kijeu: „Geura balik deui ka djoeragan maneh, djeung koedoe ngarěndahkeun diri ka handapeun leungeunna. Kami ka maneh dek maparin toeroenan loba pisan, datang ka teu beunang dibilang tina kalobaänana. Saënjana maneh teh reuneuh, sarta bakal ngadjoeroekeun hidji anak lalaki, nja eta koe maneh koedoe [ 24 ]
dingaranan Ismail. Ari eta teh pidjadieun manoesa adat sapěrti kalde leuweung; leungeunna bakal ngamoesoeh ka sakabehna, djeung leungeun sakabehna bakal ngamoesoeh ka manehanana; sarta bakal ngenggon ti hareupeun sakabeh doeloer-doeloerna." Geus kitoe Hadjar moelih, toeloej ngadjoeroekeun Ismail teja. Harita oemoer Abram 86 taoen.

3. Mangsa Abram oemoerna 99 taoen, hidji waktoe Pangeran nembongan ka Abram, sarta nimbalan ka andjeunna kijeu: „Ijeu kami Allah anoe moerba-wisesa; maneh koedoe loemampah di pajoeneun kami, sarta sing satěměnna. Moen kitoe mah kami rek maparin pěrdjangdjian kami di antara kami djeung maneh. Ari ngaran maneh moal diseboet deui Abram (rama noe loehoer), ĕnjana ngaran maneh dilandi Ibrahim (rama ti noe loba); karana maneh koe kami geus ditangtoekeun djadi bapa mangpirang-pirang bangsa, sarta reja radja noe bakal ka loewar timaneh. Ari moenggoeh maneh mah, koedoe ngestokeun pěrdjangdjian kami, nja diri maneh sarta djeung anak-intjoe maneh, toeroen-toemoeroen. Nja ijeu pěrdjangdjian kami, anoe koe maraneh koedoe diëstoekeun di antara kami djeung maraneh, sarta di antara toeroenan maneh pandeurieun maneh teja: sakabeh noe bangsa lalaki di maraneh koedoe disoenatan. Těges maraneh koedoe disoenatan nja daging kakoeloepan maraneh; nja eta noe djadi tanda pěrdjangdjian di antara kami djeung maraneh teja. Tijap-tijap anoe lalaki di maraneh, anoe oemoer dalapan poë, koedoe disoenatan, sakoer bae anoe bangsa lalaki satoeroenan toeroenan maraneh: anoe asal didjoeroekenn di imah, sarta noe beunang ngadoewit ti sakabeh djalma nagara sedjen, anoe teu kaäsoep bangsa maneh.” Nimbalan deui Allah ka Ibrahim: „Ngaran Saraí, pamadjikan maneh, koe maneh oelah diseboet deui Saraï (radja istri), karana dilandi Sarah (anoe baranahan). Sarta kami ka maneh rek maparin hidji anak lalaki ti dinja; geus tangtoe kami ngaběrkahan ka Sarah, sarta didjadikeun reja bangsa; loba radja noe njarěkěl bangsa reja pisan anoe pidjadieun ti dinja.” Pok Ibrahim oendjoekan ka Allah: „Noen, moegi-moegi [ 25 ]
poen Ismail hiroep di pajoeneun andjeun!” Děmi timbalan Allah: Saěnja-ěnjana Sarah, pamadjikan maneh, bakal ngadjoeroekeun hidji anak lalaki adjang maneh, nja eta koe maneh koedoe dingaranan Ishak. Ari moenggoeh Ismail teja kami geus ngamakboel ka maneh; masing njaho, eta koe kami rek diberkahan sarta disina baranahan; nja koe kami rek didjengkarkeun kaliwat-leuwih. Tapi ari pěrdjangdjian kami teja, eta koe kami rek diadegkeun ka Ishak, anoe koe Sarah bakal didjoeroekeun adjang maneh taoen hareup, tépoeng mangsa kiwari."


§ 11. Ibrahim Haliloellah.

(1 Moesa 18.)

1. Tidinja Pangeran nembongan deui ka Ibrahim di ki pasang Mamre teja. Kaběněran andjeunna keur tjalik dina lawang himah, keur wantji panas poëna. Ana tjěngkat sotjana sarta ngareret, beh tiloe djalma ngaraděg paběnéranana. Barang katingali, bral moeroe, ngadeuheusan ka tiloean tina lawang himah, bari seug soedjoed kana taneuh. Toeloej oendjoekan kijen: „Noen, Goesti! madak-madak simkoering mendak koernija dina sotja Goesti, moegi oelah ngaliwat ti abdi gamparan. Moegi kersa dihatoeranan tjai saeutik, bade gamparan ngaroembah dampal, sareng lalinggih heula handapeun ijeu kai. Ari simkoering sědja ngahatoeranan roti sapoeloekaneun, soepaja gamparan salěgěr manah; parantos toewang, soemangga laladjeng deui.” Ari lahiran tiloean: „Seg bae milampah kitoe, sakoemaha kasaoeran sampejan.” Ngageuwat Ibrahim kana himah, ka Sarah, pok ngalahir kijeu: „Geuwat njai ngadonan tipoeng leměs tiloe takér, moedoe njijeun koeweh.” Heg Ibrahim moeroe kana sapi, pek njandak hidji anak sapi, anoe ngora nja aloes, sok diselehkeun ka hidji boedjang; ngageuwat koe eta disadijakeun. Tidinja njandak mantega djeung tjisoesoe, kitoe deui anak sapi beunang njadijakeun teja, bari dihatoerkeun sakali ka noe tiloean; ari andjeunna seug ngaděgan ka noe tiloean di handapeun kai teja; toeloej eta taroewang. Geus kitoe noe tiloean ngalahir ka Ibrahim: „Di mana Sarah, [ 26 ]
pamadjikan sampejan?" Wangsoelanana: „Soemoehoen, aja di djĕro himah.” Ngalahir deui noe saoerang: „Těpoeng waktoe kiwari kami tangtoe datang deui ka maneh; harita Sarah satěměnna pibogaeun anak lalaki.” Kareungeu koe Sarah dina lawang himah, noe di poengkoereun anoe ngalahir, seug goemoedjeng sadjeroning batinna. Nimbalan Pangeran ka Ibrahim: „Koe naon Sarah noe matak seuri? Naha di Pangeran aja noe pimoestahileun?” Ari Sarah teh nganglès, pioendjoekna: „Hanteu seuri koering teh.” Děmi timbalanana: „Moal enja, poegoeh pisan maneh teh seuri."


2. Neut eta djalma ngaraděg arangkat ti dinja, majoen ka nagara Sadoemoe; ari Ibrahim ngiring ngadjadjapkeun. Ladjeng Pangeran nimbalan: „Koemaha kami rek noetoepan ka Ibrahim anoe koe kami rek didaměl? Da Ibrahim tangtoe pidjadieun [ 27 ]
bangsa gede nja rosa, toer di djěro manehanana sakabehna bangsa di boemi bakal pada kaběrkahan. Karana Ibrahim koe kami geus dipioeninga, soepaja manehanana paparentah ka anak-anakna, sina pada ngestoekeun djalan Pangeran, ngalampahkeun kaběněran djeung kaädilan.” Nimbalan deui Pangeran: „Djědjěritan Sadoemoe djeung Gomora nja rosa pisan, sarta dosana nja banget katjida.” Seug eta djalma noe doewa pada malik ti dinja, ladjĕng angkatna ka Sadoemoe; děmi Ibrahim masih keneh nangtoeng di pajoeneun Pangeran. Ser Ibrahim marěk, sarta oendjoekan kijeu: „Noen koemaha, djalma noe běněr koe andjeun bade ditoempoer oge sinarengan noe doraka? Manawi aja lima poeloeh djalma noe běněr di djero eta nagara. Koemaha enggon teh moal dihampoera tina sabab eta lima poeloeh djalma noe balěněr teja?” Děmi timbalan Pangeran: „Oepama kami di Sadoemoe, di djero nagara, manggih lima poeloeh djalma noe běněr, tangtoe saenggon kabeh koe kami dihampoera koe karana eta.” Ngawangsoel Ibrahim, kijeu wangsoelanana: „Noen, simkoering koemapoeroen oendjoekan ka Goesti, sanadjan simkoering teh sipat taneuh sareng lěboe bae. Manawi kana lima poeloeh djalma noe běněr kirang lima: koemaba andjeun bade ngaroeksakkeun sanagara kabeh tina sabab anoe lima?" Děmi timbalanana: „Moal diroeksak, lamoen kami di dinja manggih opat poeloeh lima.” Seug Ibrahim oendjoekan deui ka andjeunna, kijeu pioendjoekna: „Manawi di dinja kapěndak opat poeloeh." Děmi timbalanana: Moal koe kami didaměl koe karana noe opat poeloeh. Pioendjoekna deui: „Moegi-moegi Goesti oelah běndoe, rehing simkoering oendjoekan deui: manawi di dinja kapěndak tiloe poeloeh.” Děmi timbalanana: ,Moal koe kami didaměl, oepama kami di dinja manggih tiloe poeloeh.” Pioendjoekna deui: „Noen, simkoering koemapoeroen oendjoekan deui ka Goesti: manawi di dinja kapěndak doewa poeloeh.” Děmi timbalanana: „Moal koe kami diroeksak koe karana noe doewa poeloeh.” Pioendjoekna deui: Moegi-moegi Goesti oelah běndoe, rehing simkoering oendjoekan sakali deui bae: manawi di dinja kapěndak sapoeloeh.” Děmi timbalanana [ 28 ]
timbalanana: „Moal koe kami diroeksak koe karana noe sapoeloeh.” Barang parantos Pangeran ngandika ka Ibrahim, ladjěng angkat; děmi Ibrahim moelih ka ĕnggonna.


§ 12. Sadoemoe djeung Gomora.

(1 Moesa 19.)

1. Ari eta doewa malaikat teja saroempingna ka Sadoemoe wantji boerit. Kaběněran Éloet keur tjalik dina lawang Sadoemoe. Barang katingali koe Éloet, neut indit mapagkeun, brěk soedjoed, njoeoeh kana taneuh, sarta mihatoer kijeu: „Noen Djoeragan! moegi sarindang ka rorompok abdi gamparan, sarawoeh koelěm.” Sarta Eloet liwat saking nja ngeukeuhan ka noe doewaän; seug sindang ka andjeunna, pada lébět ka boemina. Samemeh noe doewaän arebog, boeroeboel oerang nagara eta, kolot-boedak, ngalingkoengan ka eta imah. Geus kitoe pada njěloekan Eloet, sarta ngaromong kijeu ka andjeunna: „Di mana eta djalma noe daratang ka maneh peuting ijeu? Geura ka-loewarkeun ka koela sakabeh.” Tidinja Eloet ka loewar, bari meundeutkeun pantona poengkoereunana. Pok misaoer kijeu: „Eh doeloer-doeloer! poma oelah milampah kagorengan kitoe.” Děmi omongan djalma-djalma teja: „Geura iser ka dijeu! Eta mah hidji djalma pangdatangna dek njemah, padahal sok ngahoekoeman-boekoeman bae.” Toeloej pada haběn ngarangsig ka Eloet, sarta ngaděsek-děsék, dek ngaroeksakkeun pantona. Gantjang djalma noe doewa teja njodorkeun pananganana, pek Éloet dikeumbing ka arandjeunna, ka djěro imah, bari pantona dipeundeutkeun. Sarta eta djalma-djalma noe di hareupeun lawang imah teja digěboegan dibaroetakeun, wěleh njaroesahkeun maneh manggih lawangna. Tidinja eta doewa djalma ngalahir ka Éloet: „Saha ahli maneh di dijeu? Geura ka-loewarkeun ti ieu enggon; karana kami koe Pangeran pada dipiwarang ngaroeksak inja." Bral Eloet ka loewar, misaoer kanoe doewa piminantoeëunana, noe rek ngawin ka poetrana noe istri; kijeu saoerna: „Geura dangdan, geuwat ka loewar ti ieu enggon; karana Pangeran kěrsa ngaroeksakkeun ieu nagara.” [ 29 ]
Děmi andjeunna koe pangrasa piminantoeëunana kawas noe banjol.

2. Geus kitoe, barang balebat padjar, seug Éloet koe noe doewa malaikat digentakkeun, ari lahiranana: „Geura djoeng, bawa pamadjikan maneh djeung eta doewa anak maneh noe awewe, anoe djonghok, soepaja maneh oelah katiwasan koe kadorakaän ijeu nagara.” Děmi Éloet talangke; pek eta doewa djalma njarěkĕl panangan andjeunna, kitoe deui panangan geureuhana sarta panangan doewa poetrana, tina kawělasan Pangeran ka andjeunna, seug ditjandak bidjil, bari toeloej diteundeun di loewareun nagara. Ari sanggeusna eta sadajana ditjandak ka loewar, pok noe saoerang ngalahir kijeu: „Geura ngarahajoekeun njawa maneh; poma oelah ngalijeuk ka toekang, sarta oelah ngaranděg di salégana ijeu tanah lempar. Geura ngarahajoekeun maneh ka pigoenoengan, soepaja oelah katiwasan.” Pioendjoek Éloet ka arandjeunna: „Noen Goesti! moegi oelah kitoe. Sajaktosna abdi teh měndak sih-koernija dina sotja andjeun. Ári simkoering teh hanteu wěrat ngarahajoekeun maneh ka pigoenoengan, bisi simkoering kaboedjeng koe katjilakaän teja, toeloej paeh. Toeh geuning, nagara eta mah deukeut pikeun moeroe ka dinja, sarengna leutik! Moegi simkoering diidinan ngarabajoekeun maneh ka dinja. Lain leutik eta teh? Tinangtos njawa simkoering hiroep.” Ari walonanana ka Eloet: „Hade, pěrkara ijeu oge kami narima paněda maneh; moal waka kami ngabalikkeun eta nagara, noe koe maneh ditjatoerkeun. Geuwat ngarahajoekeun maneh ka dinja; karana kami moal bisa migawe kitoe-kijeu, ari maneh tatjan datang ka dinja.” Kitoe noe matak eta nagara diseboetkeun Soar (těgěsna: leutik). Barang Éloet dongkap ka Soar, braj panon-poĕ bidjil ka loehoereun boemi. Goer Pangeran ka Sadoemoe djeung ka Gomora noeroenkeun hoedjan walirang djeung senneu, sarta eta sagala nagara, djeung salegana tanah lempar dibalikkeun. (¹)[1] Ari pamadjikan Éloet [ 30 ]
ngalijeuk ka toekang ti poengkoereun andjeunna, kasěděk djadi tibang oejah.(²) Barang braj isoek gantjang Ibrahim dangdan, mělong ka lebah Sadoemoe, katingali beh tina boemi ngěboel haseup saperti haseup tina pameuleuman. — Katjaritakeun Éloet teh karoehoen oerang Moab djeung oerang Amon.

(²) Pemadjíkan Ěloet hatena katjida rakétna kana arta-bandana, noe masih araja di nagara Sadoemoe. Hese ninggalkeun eta. Nja eta noe matak pamadjikan Éloet djadi piwoeroek keur djalma di ahir djaman. Nja eta sababna, noe matak Goesti Jesoes geus ngalahir: „Sing aringět ka pamadjikan Éloet.” Loek. 17; 32.


§ 13. Ishak diowokeun. Ismail dika-loewarkeun, Koerban Ibrahim.

(1 Moesa 21 djeung 22).

1. Děmi Ibrahim geus ngalih ti Mamre ka Berseba. Tidinja Pangeran ngalajad ka Sarah. Toeloej Sarah ngowokeun pikeun Ibrahim hidji poetra lalaki, anoe didjěněnganan Ishak; nja eta eukeur Ibrahim 100 taoen oemoerna. Ari eta moerangkalih ngagengan, sarta Ibrahim hadjat rosa pisan keur poëan Ishak dibeuteungan nginang. Děmi koe Sarah katingali anak Hadjar njeungseurikeun. Pok mihatoer ka Ibrahim: „Noen, eta eusi-imah teh djongklokkeun katoet anakna; karana anak eusi-imah mah hamo pimeunangeun warisan, teu tjara anak koering.” Ari eta kasaoeran hal pěrkara poetrana teja, pangraos Ibrahim goreng těměn. Tapi Allah nimbalan ka Ibrahim: „Ari hal boedak djeung hal eusi-mah maneh teja, maneh oelah aja pangrasa eta goreng; karana ti Ishak noe bakal diseboet toeroenan maneh. Ari moenggoeh anak eusi-imah teja, eta ge koe kami rek didjadikeun bangsa, sabab eta ge toeroenan maneh.” Toeloej Hadjar katoet anakna koe Ibrahim dipiwarang leumpang. Bral Hadjar leumpang. Geus kitoe kasasab di těgal léga Berseba. Ari tjai eusi karoeng koelit datang ka bejak; sok boedak teh koe Hadjar dipitjeun ka handapeun hidji tangkal leutik. Toeloej dijoek ti paběněranana, djaoehna sapamanah; karana omongna: „Aing oelah nendjo paehna boedak.” Seug Hadjar [ 31 ]
tjeurik ségrak-segroek. Ari koe Allah dimakboel sambatna eta boedak, sarta panon Hadjar dibeuntakeun, beh nendjo hidji

soemoer tjai. Gantjang boedak, diinoeman. Geus kitoe Allah njarengan ka eta boedak sarta ngagědean; ari ngenggonna di těgal lega, sarta djadi toekang panah. Ari toeroenan Ismail 12 gegeden, njangking sabangsa-bangsana, nja eta oerang Arab. Ari enggonna tjaritjing ti semět tanah Asoer téroes těpi ka tanah Měsir.

2. Sanggeusing pěrkara noe tadi teja, Allah njoba ka Ibrahim, sarta bari nimbalan kijeu: „Geura njokot anak maneh, anoe noenggal, kanjaäh maneh, nja eta Ishak, bral maneh leumpang ka tanah Moria, toeloej koerbankeun di dinja, djadi koerban doeroekan, dina hidji goenoeng anoe koe kami rek ditimbalkeun ka maneh.” Tidinja Abrahim tanghi isoek-isoek, seug ngadangdanan hidji kalde, djeung njandak doewa boedjang, sarawoeh [ 32 ]
Ishak poetrana, sarta meulahan kai pikeun koerban doeroekan; toeloej djěngkar, ngadjoegdjoeg ka enggon, anoe koe Allah ditimbalkeun ka andjeunna teja. Dina poë noe katiloe, barang Ibrahim tjengkat sotjana, ningali eta enggon ti kadjaoehan. Pok Ibrahim miwarang ka boedjangna: „Maraneh toenggoe bae di dijeu reudjeung kalde; ari kami reudjeung boedak dek toeloej ka ditoe, sědja sembahijang; ěngke datang deui ka maraneh.” Tidinja Ibrahim njandak soeloeh pikeun koerban doeroekan teja, dipanggoelkeun ka Ishak poetrana, sarta njandak seuneu djeung peso, didjingdjing koe andjeunna, ladjeng arangkat padoedoewaän. Pok Ishak mioendjoek ka ramana: „Noen, ijen aja seuneu sareng soeloeh, nanging di mana dombana pikoerbaneun doeroekan?” Walonan Ibrahim: „Eh ěnoeng! pěrkara domba pikoerbaneun doeroekan tamah Allah koe andjeun noe pingoeroeseun.” Ladjeng bae arangkat padoedoewaän. Barang geus darongkap ka enggon, anoe koe Allah ditimbalkeun ka andjeunna teja, toeloej Ibrahim ngadaměl hidji altar di dinja, seug natakeun soeloehna; geus kitoe ngaringkoes Ishak poetrana, bari diteundeun dina altar, ditoempangkeun dina soeloeh. Tidinja Ibrahim njodorkeun panangan, top njandak pesona, arek pek meuntjit poetrana. Kasěděk Malaikat Pangeran ngalahir ka andjeunna ti langit, sarta bědas, kijeu lahirna: „Oelah waka ngeunakeun leungeun maneh ka eta boedak, sarta oelah dikijeu-kijeu; karana ajeuna kami geus terang, maneh teh saěnjana sijeun koe Allah; dalah anak maneh noe noenggal koe kami dipoendoet, koe maneh hanteu diowělkeun.” Tidinja Ibrahim tjěngkat sotjana, ret ningali, beh aja hidji domba lalaki di poengkoer, tandoekna kapoekět koe areuj-areujan. Gantjang Ibrahim angkat, pek domba lalaki teh ditjandak, toeloej dikoerbankeun, didaměl koerban doeroekan, ngaganti poetrana. Ngalahir deui Malaikat Pangeran ka Ibrahim ti langit, kadoewa-kalina: „Kami soempah njěboet diri kami, pangandika Pangeran, sapedah maneh geus ngalampahkeun anoe kitoe pětana, sarta hanteu ngowělkeun anak maneh anoe noenggal, noe matak kami [ 33 ]
teh kaliwat-saking nja rek ngaběrkahan ka maneh, sarta kaliwat saking nja rek ngadjĕngkarkeun toeroenan maneh, tjara bentang di langit djeung saperti keusik di basisir laoet. Djeung deui

di djěro toeroenan maneh teh sakabehna bangsa di boemi bakal pada kaběrkahan.” Tidinja Ibrahim malikan boedjangna, seug darangdan, bral moelih ka Berseba.


§ 14. Sarah poepoes. Tikahna Ishak. Ibrahim poepoes.

(1 Moesa 23 djeung 24.)

1. Ari Sarah teh poepoes eukeur oemoer 127 taoen, sarta koe Ibrahim ditangisan. Toeloej Ibrahim ngagaleuh hidji kebon reudjeung goeha Makpela, harga 400 sekel perak, ti Epron, [ 34 ]
oerang Het. Nja eta pikeun pakoeboeran milik. Toeloej Sarah dikoerěbkeun di dinja.

Koe Ibrahim pakoeboeran teh digaleuh, sabab pageuh kapěrtjajaānana kana përdjangdjian Allah, ari toeroenanana bakal baroga tanah Kanaän. Dina tanah di mana toeroenan-toeroenanana bakal tjitjing, nja di dinja Ibrahim djeung garwana dek dikoerébkeun. Ari pakoeboeranana djadi kawas piwoeroek, meunang 400 taoen lilana, kana toeroenan-toeroenanana, mangsa eta keur matoeh di tanah Měsir; bisi eta dek pohoëun kana pérdjangdjian Allah.

2. Keur mangsa harita Ibrahim dibedjaän, saderekna, nja eta Nahor, di tanah Haran, geus reja poetrana. — Ari Ibrahim geus sépoeh, sarta Pangeran geus ngaběrkahan ka dinja dina saniskarana. Tidinja Ibrahim marentah ka abdina, kokolot boemina, anoe njangking ka sakabeh kagoenganana (Eliëser): „Maneh koe kami rek disoempahan njěboet Pangeran, Allah noe kagoengan sawarga, Allah noe kagoengan boemi, koedoe nejangan pidjodoëun anak kami, tapi oelah ngalamar anak oerang Kanaän. Ënjana maneh koedoe leumpang ka tanah kami, ka nagara asal kami, ngalamar pidjodoëun anak kami Ishak.” Ngawangsoel abdina ka andjeunna: Palangsijang eta istri teu kersaeun toemoet ka tanah ijeu; koemaha ari kitoe, poetra gamparan koe koering kedah dipoelangkeun ka tanah asal gamparan ka loewar?” Ari lahiran Ibrahim ka kokolot teh: „Masing hade-hade, anak kami koe maneh poma oelah dipoelangkeun ka dinja. Pangeran anoe njandak diri kami ti tanah asal kami, samalah soempah ka kami, kijeu pangandikana: Kami rek maparin jeu tanah ka toeroenan maneh, nja eta tangtoe miwarang malaikatna ti heulaeun maneh, soepaja maneh ngalamar pidjodoëun anak kami ti dinja teh toeloes. Děmi saoepama eta istri teu daekeun noetoerkeun mah ka maneh, maneh teh piběrěsiheun tina ijeu pangnjoempahan kami.” Tidinja eta abdi njokot 10 onta, ti onta djoeraganana, bral indit, mawa saroepaning barang noe aloes-aloes, kagoengan [ 35 ]
djoeraganana; djoeng leumpang ka tanah Mesopotami, ka nagara Nahor teja.

3. Geus datang, toeloej ngaděroemkeun onta ti loewareun nagara, deukeut hidji soemoer tjai, měněran wantji boerit, ninggang waktoe awewe boedal ngala tjai. Seug oendjoekan kijeu: „Noen Pangeran, Allah djoeragan simkoering Ibrahim! moegi-moegi ditěpangkeun ka hareupeun simkoering dinten ijeu, sareng moegi midaměl kaäsihan ka djoeragan simkoering Ibrahim. Tah, simkoering nangtoeng di sisi ijeu soemoer tjai, sareng landjang-landjang, anak oerang nagara įjeu, keur boedal sědja ngarala tjai. Moegi-moegi diparéngkeun, saha-saha landjang, anoe koe simkoering bade ditjatoeran kijeu: Kěndi njai moegi sodorkeun, kaoela hajang nginoem; seug njaoer: Mangga ngaleuëut, malah koering rek nginoeman ka onta bapa ongkoh: moegi nja eta noe koe andjeun dikěrsakeun pigarwaeun abdi andjeun Ishak.” — Geus kitoe, tatjan anggeus abdi teh oendjoekan, doemadakan ka loewar Rabeka, poetra Bětoeël, nja eta poetra Nahor teja, sarta moenggoe kendina. Ari eta landjang moetoeh koe geulis roepana; djoet toeroen ka soemoer, ngeusian kendina, tjat oenggah. Seug abdi teh moeroe, něpangan eta landjang, bari mihatoer: Moen aja paidin, něda ngoejoep tjai saeutik tina kendi njai." Wangsoelanana: „Mangga, djoeragan! geura ngaleueut." Barang geus reres diinoeman, pok njaoer: „Koering dek nimba deui pikeun onta bapa." Gantjangna kendi ditjitjikeun kana paragina nginoem, seg loempat deui kana soemoer nimba, nja nimbaän pikeun sakabeh ontana. Děmi djalma teja bengongeun ka landjang teh, bari repeh, hajang njaho Pangeran ngaloeloeskeun djalanna atawa hanteu. Geus kitoe, barangna onta-onta geus reres ngarinoem, toeloej eta djalma njokot hidji anting emas djeung sapasang geulang, pikeun pananganana, bari mihatoer: „Njai teh poetra saha? Koemaha di boemi toewang rama aja enggon pikeun kaoela sareng batoer-batoer ngarereb?” Ari wangsoelanana ka dinja: „Koering teh anak Bětoeël.” Saoerna deui ka dinja: „Boh djarami boh parab loba naker di imah, [ 36 ]samalah ěnggon pikeun ngarěrěb ge aja pisan." Broek eta djalma soedjoed ka Pangeran, sarta oendjoekan kijeu: „Sagala poedji ka Pangeran, anoe noejoen ka simkoering dina djalan ka boemi saderek djoeragan." Bral landjang teh loempat ka boemi iboena, ngoeningakeun sagala pěrkara noe tadi.

  1. Ari Laban, saderek Rabeka, barang geus ningali anting, kitoe deui geulang dina panangan saderekna, sarta barang geus ngareungeu tjarijos Rabeka, bral ka loewar, seug moeroe ka eta djalma; pok njaoer: „Eh, noe diběrkahan koe Pangeran! mangga geura tjalik; koe naon ngaděg di loewar?" Tidinja eta djalma asoep ka boemi. Heug ontana ditjoetjoelan, sarta merean djarami djeung parab ka onta-onta, kitoe deui tjai pikeun ngoembah soekoe eta djalma. Teu lila disoegoehan dahareun. Děmi pioendjoekna: „Koering moal něda, ari tatjan ngoendjoekkeun [ 37 ]
    pihatoereun koering." Ari saoer Laban: „Soemangga, saoerkeun.” Toeloej koe Eliëser ditjarijoskeun saniskara, seug kijeu pioendjoekna „Ari ajeuna, madak-madak arandjeun kěrsa midaměl kaäsihan sareng kajaktosan ka djoeragan koering, moegi maparin njaho ka koering.” Ngawalon Laban djeung Bětoeël, kijeu walonanana: „Ijeu pěrkara ka-loewarna ti Pangeran. Tah, Rabeka aja di hareupeun sampejan; tjandak bae, toeloej mangkat, sina djadi garwa poetra djoeragan sampejan, sakoemaha pangandika Pangeran teja.” Démi geus kitoe, barang abdi Ibrahim ngadenge eta kasaoeranana, brěk njoeoeh kana taneuh, soedjoed ka Pangeran. Toeloej abdi teh ngaloewarkeun barang sipat emas-perak reudjeung panganggo, dihatoerkeun ka Rabeka; kitoe deui ka saderekna sarta ka iboena njanggakeun barang noe moelja-moelja. Ari isoek-isoek haroedang, seug abdi teh mibatoer: „Koering moegi didjoeroeng wangsoel ka djoeragan koering.” Seug Rabeka disaoer, bari toeloej dipariksa kijeu: „Koemahna njai daek leumpang, miloe djeung jeu djalma?” Wangsoelanana: „Soemoehoen, daek pisan leumpang.” Tidinja Rabeka djeung pangasoehna, kitoe deui eta abdi Ibrahim, pada didjoeroeng lakoe; sarta pada ngaběrkahan ka Rabeka, kijeu salaoerna: „Eh doeloer! moegi njai didjadikeun bareboe-reboe laksa, sarta toeroenan njai sing kawaris lawang moesoeh-moesoehna.” - Ari Ishak ka loewar, sědja tapakoer di těgal, wantji rek boerit. Toeloej tjengkat sotjana, ret ningali, beh daratang onta. Rabeka kitoe keneh tjengkat sotjana, ningali Ishak. Toeloej njaoer ka abdi

teh: Saha eta djalma, noe angkat di těgal mapag ka oerang?” Wangsoelanana: „Nja eta djoeragan koering teja. Top Rabeka njandak tijoengna, bari seug ditjindoeng. Toeloej abdi teh njarijoskeun ka Ishak sakabehna pěrkara, noe dilampahkeun koe manehna teja. Tidinja Rabeka koe Ishak dilěbětkeun ka himah Sarah iboena; geus kitoe Rabeka ditikah, djadi geureuha Ishak, sarta dipikaasih. Kakara Ishak kalipoeran sanggeus katilar koe iboena. Ari — Ibrahim 175 taoen oemoerna, toeloej poepoes, sěpoeh, toer warěg oemoerna; dirijoengkeun ka bangsana. Tidinja [ 38 ]
andjeunna koe poetrana, nja eta koe Ishak djeung Ismail, dikoerébkeun ka goeha Makpela teja.


§ 15. Poetra Ishak.

(1 Moesa 25-27.)

1. Děmi Ishak oemoerna 40 taoen keur mangsa nikah ka Rabeka. Ari Ishak sok něněda ka Pangeran, mangnědakeun geureuhana; sabab eta teh gaboeg. Lila-lila koe Pangeran ditarima panědana; toeloej Rabeka bobot, ladjeng koe Pangeran diandikaän kijeu: „Doewa kaom mangke papisah ti awak maneh, sarta noe kolot bakal ngawoelaän ka noe ngora.” Ana geus djédjég mangsana, dongkap ka ngowo, doemadakan kembar di djero kandoenganana. Anoe ka loewar ti heula beureum, saloewar awakna saperti haroedoem boeloe; seug didjěněnganan Esaoe. Ari rajina didjenenganan Jakoeb. Ari eta moerangkalih pada ngagědean; geus kitoe Esaoe djadi djalma bisa moro, djalma tégal; děmi Jakoeb djadi djalma satěménna, tjalikna nganggo himah. Ari Ishak miasih ka Esaoe, sabab kasěděpna beunang moro; děmi Rabeka miasihna ka Jakoeb. Hidji mangsa Jakoeb aja kaolahan, beunang andjeunna ngolah. Kaběněran Esaoe soemping ti tegal, sarta tjape. Pok Esaoe misaoer ka Jakoeb: „Tjik, akang bere njatoe eta noe beureum-beureum sawareh, karana akang tjape.” Ngawalon Jakoeb: „Moedoe ngadjoewal ajeuna ka koering hal katjikalan akang.” (¹) Ari saoer Esaoe: „Saěnjana akang eukeur eumpang kana maot; naon pigaweëunana katjikalan teh ka akang?” Saoer Jakoeb: „Moedoe soempah ajeuna ka koering.” Pek Esaoe soempah ka Jakoeb; djadi Esaoe ngadjoewal hal katjikalanana ka Jakoeb. Toeloej Jakoeb ka Esaoe ngahatoerkean roti djeung kaolahan katjang teja. Seug Esaoe dahar-leueut, neut ngadeg, toeloej angkat. Djadi Esaoe, noe sok aja noe njěboet Edom,

(¹) Anoe boga hoekoem katjikalan, eta kaoentoenganana doewa roepa: hidji tina barang waris meunang doewa bagian; doewa dina djéro boemi ramana anoe tjikal teh moedoe kawas panghoeloe djeung praboe. [ 39 ]
keun hal katjikalan. Ari Esaoe geus dongkap ka oemoer 40 taoen, toeloej geureuhaän ka doewa oerang Het. Eta doewanana ka Ishak djeung ka Rabeka matak djaheut manah.

2. Ari keur mangsa Ishak geus sepoeh, sarta sotjana geus dongkap ka lamoer, hanteu teges ningalina, hidji waktoe andjeunna njaoer Esaoe, poetrana noe kolot; lahiranana ka dinja: „Geuning, ama geus kolot, sarta ama hanteu njaho di poë ama pipaeheun. Ajeuna geura njokot wadah djamparing djeung gondewa, los ka loewar ka tégal, pangmorokeun ama, sing aja beubeunangan, Seug ama pangnjijeunkeun kahakanan noe ngeunah, sakoemaha kabeuki ama, toeloej bawa ka ama, dek dahar; sangkan diri ama ngabérkakan ka énoeng samemeh ama paeh.” Eta teh kadangoe koe Rabeka; pok misaoer ka Jakoeb: „Geura los ka ingon-ingon; iboe pangnjokotkeun ti dinja doewa siki anak embe noe araloes; koe iboe rek didjijeun kahakanan anoe ngeunah, pikeun rama énoeng, sakoemaba kasěděpna. Toeloej koe noeng eta koedoe disanggakeun ka rama énoeng, sina toewang, sangkanna ngaběrkahan ka enoeng samemeh rama poepoes.” Pioendjoek Jakoeb ka Rabeka iboena: „Salérésna Esaoe, doeloer simkoering, djalma boeloean, doepi simkoering mah djalma limit. Bisi simkoering koe ama dirampaän; ana kitoe mah simkoering koe pangraos ama sapertos noe ngabobodo; djadi simkoering teh ka diri sorangan ngadatangkeun panjapa, moal ngadatangkeun berkah.” Děmi saoer iboena ka Jakoeb: „Eta, ěnoeng! perkara panjapa koe iboe ditanggoeng. Sing noeroet bae ka papatah iboe; geura djig, pangnjokotkeun!” Bral Jakoeb angkat, pek ditjandak bari disanggakeun ka iboena. Toeloej iboena ngadamél kadaharan noe ngeunah teja; geus kitoe njandak papakean Esaoe noe leuwih aloes, pek dipakekeun ka Jakoeb; sarta koelit anak embe teja dipakekeun ka pananganana djeung ka noe limit dina tenggěkna. Toeloej Jakoeb asoep ka ramana, bari mawa kadaharan teja, sarta oendjoekan kijeu: „Noen ama!” Ngawalon Ishak: „Saha ĕnoeng teh?” Pioendjoek Jakoeb ka ramana: „Simkoering teh Esaoe, tjikal ama; simkoering [ 40 ]ngalampahkeun sakoemaha lahiran ama ka simkoering teja; moegi geura tanghi, linggih, mangga toewang ijeu beunang simkoering moro, sangkan sulira ama ngaběrkahan ka simkoering.” Ngalahir Ishak ka poetrana: „Naha ĕnoeng! mana gantjang teuing manggih?" Wangsoelanana: „Wireh koe Pangeran, Allah ama, dipěndakkeun ka hareupeun simkoering." Lahiran Ishak ka Jakoeb: „Isér atoeh, ěnoeng! koe ama dek dirampaän; maneh enja anak ama Esaoe atawa lain." Geus dirampaän lahiranana: „Sorana sora Jakoeb, děmi leungeunna mah leungeun Esaoe;" sarta naros deui: „Na maneh ěnja anak ama Esaoe?" Wangsoelanana: „Soemoehoen, jaktos simkoering." Seng Ishak toewang, malah dihatoeranan anggoer, toeloej ngaleueut. Geus kitoe Jakoeb koe ramana dilahiran kijeu: „Eh, ěnoeng! iser atoeh, ama geura tjijoem." Sěr Jakoeb ngadeukeutan, bari njijoem ka

[ 41 ]
andjeunna. Koe Ishak kaängseu baoening papakeanana, sarta toeloej diberkahan, kijeu lahirna: „Moegi-moegi maneh koe Allah dipaparin tji-iboen langit reudjeung kalintoehan boemi; masing loba gandoem reudjeung anggoer. Bangsa-bangsa koedoe ngawoelaän ka maneh, sarta kaom-kaom koedoe njarěmbah ka maneh. Sing djadi kawasa ka doeloer-doeloer maneh; sakabeh anak indoeng maneh koedoe njarěmbah ka maneh. Saha-saha noe njapa ka maneh, sing disapa deui; djeung saha-saha noe ngaběrkahan ka maneh, sing diberkahan deui.”

3. Geus kitoe, barang Jakoeb kakara ka loewar ti pajoeneun ramana, djeboel Esaoe poelang moro, bari oendjoekan ka ramana: „Noen ama! moegi geura tanghi, mangga toewang jeu beunang moro poetra ama teja, sangkan salira ama ngaběrkahan ka simkoering.” Pok Ishak ngalahir ka dinja: „Na maneh teh saha?” Wangsoelanana: „Noen, simkoering teh poetra ama, tjikal ama, nja Esaoe teja.” Ngagéběg Ishak, kaget kalangkoeng-langkoeng, angět katjida, bari ngalahir: „Na saha atoeh, anoe bijeu boga beunang moro, dibawa ka ama? Ari koe ama didahar sakabehna, samemeh ěnoeng datang, sarta eta koe ama geus diberkahan, malah-malah diběrkahanana teja tangtoo tětěp.” Barang Esaoe ngareungeu pilahir ramana, gero bae djědjeritan liwat saking, mělas-mělis, angět katjida. Pok oendjoekan ka ramana: „Naha ama ngan kagoengan berkah hidji bae?” Ngawalon Ishak ka dinja: „Maneh pihiroepeun koo lantaran pedang maneh, djeung bakal ngawoelaän ka doeloer maneh. Děmi měngke, di mana maneh ngalantoer, seg maneh bakal ngaragragkeun pasanganana tina poendoek maneh.” (¹) Ari Esaoe teh giroekeun ka Jakoeb tina hal berkah teja, sarta bari njaoer sadjero manahna: „Geus deukeut. ka mangsa prihatin katilar ama; heug aing dek modaran ka si Jakoeb, doeloer aing.” Gantjang Rabeka misaoer ka Jakoeb: Geura dangdan, koedoe kaboer ka Laban, saderek iboe; seug koedoe tjitjing di andjeunna sababaraha poë, datang ka geus sirna panas-ati doeloer maneh, Ari geus datang ka lēmpěr amběkna, tangtoe iboe miwarang ngala maneh ti dinja.” Děmi Ishak [ 42 ]
ngaběrkahan ka Jakoeb, kijeu saoerna: „Ari Allah anoe moerbawiwesa moegi-moegi ngaběrkahan ka maneh, sarta maneh moegi didjadikeun baranahan reudjeung didjěngkarkeun. Toer Allah moegi-moegi ka maneh maparin bërkah Ibrahim teja.” Eta kitoe Jakoeb koe Ishak dipiwarang leumpang ka Mesopotami, ka Laban, sarta kijeu timbalanana: „Maneh poma oelah rek boga pamadjikan ka anak oerang Kanaän; koedoe ngalamar pipamadjikaneun salah-sahidji poetra Laban.”

(¹) Toeroenan Esaoe pada tjaritjing dina pigoenoengan Seir. Eta pigoenoengan ajana kidoeleun tanah Kanaän, mimitina dina laoet Paeh, troes ngoedjoerna ka beh kidoel, dongkap ka těloek Akaba. Koe radja Daoed oerang Edom ditaloekkeun, tatapi djaman beh dijeuna maranehanana merdika deui.


§ 16. Jakoeb kaboer ka Mesopotami.

(1 Moesa 28.)

1. Bral Jakoeb angkat. Mangsa geus ka loewar ti Berseba, toeloej angkat ngadjoegdjoeg ka Haran. Djog dongkap kana hidji ěnggon, seug ngarěrěb di dinja, sabab panon-poë geus soeroep; pek njandak hidji batoe, diteundeun dina siraheunana, toeloej ebog, sare di enggon eta. Geus kitoe ngimpi; doemadakan, aja hidji taradje, nangtoeng dina boemi, ari tjongona něpi ka langit, sarta, doemadakan, para malaikat Allah oenggah-toeroen dina eta. Doemadakan, Pangeran keur ngaděg dina loehoereun taradje, sarta nimbalan kijeu: „Ijeu kami Pangeran, Allah Ibrahim, anoe aki maneh, sarta Allah Ishak. Ijeu tanah, noe keur dikěděngan koe maneh, koe kami rek dipaparinkeun ka maneh djeung ka toeroenan maneh. Djeung deui toeroenan maneh pidjadieun sapěrti keusik noe di boemi; malah di djěro maneh sarta di djěro toeroenan maneh sakabehna bangsa di boemi bakal pada kaběrkahan. Djeung deui, masing njaho, kami teh njarěngan ka maneh; tangtoe kami ngaraksa ka maneh, ka mana bae maneh nja pileumpangeun, sarta měngke maneh koe kami dipoelangkeun deui ka tanah ijeu.” Ana Jakoeb lilir tina sarena, pok njaoer: „Saestoena [ 43 ]
Pangeran linggih di enggon ijeu, ari koe aing hanteu kanjahoan. Ijeu enggon matak sijeun katjida. Di dijeu moal lijan ti gědong Allah, sarta di dijeu lawang sawarga.” Toeloej batoe teja ditangtoengkeun, didaměl toetoenggoel, bari dikoetjoeran minjak di loehoerna. Toeloej eta enggon koe Jakoeb dingaranan Bet-El (tégěsna: Gědong Allah). Djeung deui Jakoeb ka loewar nadar, kijeu panadarna: „Manawi Allah njarengan ka simkoering, kalijan ngaraksa ka simkoering dina ijeu djalan anoe koe simkoering dilakonan, sarawoeh ka simkoering maparin pangan baris tědaeun sarěng sandang baris pakeëun, toer simkoering dipoelangkeun deui ka imah poen bapa kalawan kasalamětan: geus kitoe Pangeran bade Allah simkoering, sarěng ijeu batoe bade gědong Allah.”

2. Tidinja Jakoeb djoeng deui lakoena, kėbat angkatna ka tanah oerang wetan. Hidji waktoe dongkapna ka hidji soemoer di těgal. Pok Jakoeb misaoer ka taroekang ngangon, noe noenggoean ingon-ingonna, soepaja diinoeman di dinja, kijeu saoerna: „Eh doeloer-doeloer! maraneh oerang mana?" Wangsoelanana: Soemoehoen, koering oerang Haran.” Saoer Jakoeb ka darinja: Koemaha maraneh wawoeh ka Laban poetra Nahor?” Wangsoelanana: „Soemoehoen těrang; toeh geuning nji Rahel, poetrana, keur ka dijeu, ngagiringkeun dombana.” Seug Jakoeb ngadeukeutan, ngadjoengkatkeun batoe tina lijang soemoer, bari toeloej nginoeman domba Laban. Sarta Jakoeb njijoem ka Rahel, bari nangis sěgrak-sěgroek; toeloej mopojan jen pěrnah alo ka ramana, sarta jen poetra Rabeka. Bral Rahel loempat, ngoeninga ka ramana. Geus kitoe goera-giroe Laban mapagkeun; gabroeg ngarangkoel, sarta ditjijoeman, bari seug ditjandak ka boemina.


§ 17. Jakoeb keur ngawoelaän ka Laban.

( 1 Moesa 29 – 31.)

1. Ari Jakoeb geus tjalik di Laban saboelan lilana, toeloej Laban misaoer ka dinja: „Koemaha agoes teh, pedah koelawarga mamang, rek ngawoela ka mamang teu dibajar? Tjik, bedjakeun [ 44 ]
ka mamang, naon piboeroehaneun agoes?” Děmi Laban kagoengan doewa poetra awewe; djěněngan lantjeukna Lea, ari djěněngan rajina Rahel. Ari Lea belek sotjana, děmi Rahel mah aloes didig geulis roepa. Ari Jakoeb asiheun ka Rahel; seug ngawangsoel kijeu: „Koering sanggěm ngawoela 7 taoen lamina, soepaja dipasihan Rahel.” Tidinja Jakoeb ngawoela 7 taoen lilana, malar dibere Rahel; ari koe pangrasa Jakoeb mah itoeng poë-poë bae, bawaning koe asih ka Rahel. Geus djědjěg mangsana, Laban hadjat, Ari geus peuting, seg Laban njandak Lea, dianteurkeun ka Jakoeb. Děmi wantji isoek sihoreng teh Lea (¹), Pok Jakoeb misaoer ka Laban: „Naha ama mana ngabobodo ka koering?” Saoer Laban: „Hanteu kalampah di ěnggon ijen, ngawinkeun boengsoena memeh tjikalna. Heug itoe ge ěngke dibere ka agoes, majar pangawoela noe koe agoes koedoe dipigawe deui ka mamang, pililaennana 7 taoen deui.” Toeloej koe Laban dileler Rahel, djadi geureuha Jakoeb, sarta eta ngawoela deui ka Laban 7 taoen deui lilana. Ana katingali koe Pangeran, jen Lea teh dipikageuleuh, Pangeran moekakeun pianakanana, děmi Rahel mah gaboeg.

(¹) Anoe matak Jakoeb beunang dibobodo koe Laban, sabab panganteun awewe dianteurkeun kana boemi panganten lalaki make tjindoeng, Koe beran balěsan Allah. Jakoeb teh dibobodo koe Laban, sapěrti Ishak dibobodo koe Jakoeb. Koe Ishak dipaparin bérkah ka noe teu dikěrsakeun koe andjeunna. Nadjan kitoe mah anoe meunang běrkah nja djalma anoe dipastenkeun koe Allah, Nja kitoe deui koe Jakoeb ditikah anoe hanteu dikěrsakeun. Nadjan kitoe mah anoe ditikah nja awewe anoe dipastenkeun koe Allah. Sabab lain Rahel anoe dipoedji teh, koe Allah dibakoekeun djadi Iboena Joeda, karoehoeu Goesti Jesoes, balikanan Lea anoe dihihina.

2. Geus toetoep 7 taoen noe ijeu teja, pok Jakoeb mihatoer ka Laban: „Moegi koering didjoeroeng leumpang, sědja wangsoel ka tanah koering. Moegi maparin poen bodjo sarěng poen anak, beunang simkoering ngawoela ka salira ama.” Ngawalon Laban: „Moegi ama manggih wělas dina panon agoes; koe ama geus karasa, pangdibérkahan ama koe Pangeran, nja koe [ 45 ]
karana agoes. Tjik, sěboetkeun ka ama piboeroehaneun agoes, koe ama tangtoe dibere.” Toeloej koe Jakoeb ditěda piboeroehaneun sagala ěmbe-domba noe toetoel sarta bělang, djeung domba anoe hideung. Kitoe deui keur měngke sakoer anak ěmbe djeung anak domba noe toetoel atawa bělang. Eta boeroehan koe Laban diganti 10 kali di djěro 6 taoen. Sanadjan kitoe Jakoeb datang ka djěmbar liwat saking, moenggah loba nakěr nja kagoengan ěmbe-domba djeung boedjang awewe lalaki, kitoe deui onta reudjeung kalde. — Ari Lea ngowokeun pikeun Jakoeb 6 poetra paměgět, anoe kijeu ngaranna: Roebin, Simon, Lewi, Joeda, Isaskar, Sěboeloen. Koe 2 eusi imah garwana didjoeroekeun pikeun andjeunna: Dan, Naptali, Gad, Aser. Ari Allah ka Rahel oge emoeteun, sarta koe Allah dimakboel. Tidinja Rahel ngowokeun Joesoep; sanggeus kitoe, barang geus dongkap ka tanah Kanaän, ngowokeun Binyamin.

3. Děmi Laban katoet poetra-poetrana darěngkieun ka Jakoeb, sabab kahardjaänana. Ladjeng Pangeran nimbalan ka Jakoeb: „Geura moelang ka tanah bapa-aki maneh; ari kami tangtoe njarěngan ka maneh.” Tidinja Jakoeb miwarang njaoer Rahel djeung Lea ka těgal, ka ěmbe-domba andjeunna. Sasoempingna pada dilahiran kijeu: „Akang geus nendjo pasěmon rama njai, eta ka diri akang geus teu tjara kamari-mangkoekna. Ari njai teh pada njaho, jen akang geus sakoewat-koewat nja ngawoela ka rama njai; balikanan rama njai mah ngagělo bae ka akang, wani boeroehan akang diganti-ganti těpi ka sapoeloeh kali; ngan koe Allah hanteu diidinan migawe goreng ka akang.” Ngawangsoel Rahel djeung Lea: „Sadajana noe koe Allah ditimbalkeun ka akang teja, soemangga lampahkeun." Tidinja Jakoeb dangdan, sarta ngamomotkeun poetra-garwana kana onta-onta. Djoeng angkat, njandak sakabeh ingon-ingonna djeung sakabeh radja-kajana; sědja moelih ka Ishak ramana, ka tanah Kanaän teja. Ari dina poë noe katiloe aja noe ngoeninga ka Laban, jen Jakoeb minggat. Gantjang njoesoel ka Jakoeb; kaboeroe di [ 46 ]
pigoenoengan Gilad. Děmi Allah njoempingan ka Laban dina impian te peuting, sarta nimbalan ka dinja kijeu: „Masing hade-hade, maneh ka Jakoeb oelah rek ngomong, boh hade boh goreng.” Toeloej Laban misaoer ka Jakoeb: „Koe naon minggat soesoeloempoetan? Ari ama teh koe agoes teu dibere njijoem-njijoem atjan ka intjoe sarta ka anak. Leungeun ama kawasa migawe goreng ka agoes, tatapi Allah rama agoes peuting tadi nimbalan ka ama, kijeu timbalanana: „Masing hade-hade, maneh ka Jakoeb oelah rek ngomong, boh hade boh goreng.” Ari koe Laban reudjeung Jakoeb didjijeun pěrdjangdjian. Tidinja Jakoeb djěngkar, ngaladjěngkeun djalanna; seug kapapag koe malaikat Allah pirang-pirang. Barang koe Jakoeb katingali, pok misaoer: „Ijeu teh wadya-balad Allah!” noe matak eta enggon koe andjeunna dingaranan Mahanaim (těgěsna doewa wadya-balad).

Koe eta wadya-badad doewa, Goesti Allah kersa ngawoeroekkeun ka Jakoeb. Nadjan manehna poho kana pěrdjangdjian Allah, Allah moal lali kana pěrdjangdjianana (1 Moesa 28:15.) Tjek rasoel Paoeloes: Sanadjan noe sawareh hanteu pertjaja, naha eta kateupěrtjajaänana teh bisa ngaloepoetkeun kana ka estoean Allah? Roem 3:3.


§ 18. Jakoeb moelih ka tanahna.

( 1 Moesa 32—35.)

1. Geus kitoe Jakoeb ngiberan ti pajoeneunana ka Esaoe saderekna. Oetoesan diparentah koedoe oendjoekan kijeu: „Noe mawi simkoering ngadjoeroeng ka djoeragan, soepaja měndak koernija dina sotja gamparan.” Geus kitoe oetoesan teh daratang deui ka Jakoeb, oendjoekan kijeu: „Koering sadaja parantos ngadeuheusan ka raka gamparan, ka Esaoe; malah-malah ajeuna keur di djalan, mapag ka gamparan, njandak 400 djalma.” Toeloej Jakoeb langkoeng-langkoeng nja sijeuneun, sarta soesaheun katjida. Tidinja djalma-djalma noe ngiring ka andjeunna, kitoe deui ěmbe-domba, sapi reudjeung onta, koe andjeunna dibagi, didaměl doewa balad. Ari manahna kijeu: „Oepama Esaoe nga [ 47 ]
datangan ka balad anoe hidji, sarta disarabět, seug balad anoe kari pirahajoeëun.” Sarta Jakoeb oendjoekan kijeu: „Noen Allah aki simkoering Ibrahim! noen Allah bapa simkoering Ishak! noen Pangeran anoe nimbalan ka simkoering kijeu teja: Geura moelang ka tanah maneh, djeung ka nagara asal maneh, sarta kami tangtoe midaměl kahadean ka maneh! Simkoering teh hina teuing, hanteu sae pisan nampi sadajana kaäsihan sareng sadajana kajaktosan, anoe koe andjeun geus dipidaměl ka abdi gamparan. Karantěn bareto simkoering meuntas ijeu tji Jordan ngan kadoewa iteuk simkoering bae, doepi ajeuna simkoering geus djadi kana doewa balad. Moegi-moegi simkoering diloepoetkeun ti leungeun poen doeloer, ti leungeun Esaoe. Mapan andjeun nimbalan kijeu teja: Kami tangtoe midaměl kahadean ka maneh, sarta toeroenan maneh koe kami rek didjadikeun loba.” Geus kitoe njandak keur pangabakti ka Esaoe saderekna, seug diijangkeun ti pajoeneunana. Děmi dina peuting eta Jakoeb njandak garwana, sarta poetrana, djeung sakagoenganana, dipeuntaskeun ka tji Jabok. Ari Jakoeb kantoen njalira. Geus kitoe aja hidji djalma gěloet djeung Jakoeb, něpi ka balebat padjar. Ana geus waspaoseun, jen teu ijasaeun ngelehkeun ka Jakoeb, pek ngaragap ka boekoe pingpingna, noe matak boekoe poehoe pingping Jakoeh datang ka misalah mangsa gěloet. Tidinja ngalahir kijeu: „Kami lesotkeun, dek leumpang; karana geus balebat padjar.” Ari wangsoelan Jakoeb: „Andjeun koe koering moal dilesotkeun, anging koedoe ngaběrkahan heula ka koering.” Lahiranana ka Jakoeb: „Saha ngaran maneh?” Wangsoelanana: „Soemoehoen, Jakoeb.” Lahiranana deui: „Ngaran maneh moal disěboet deui Jakoeb, satègěsna Israil; karana maneh taroeng djeung Allah sarta djeung djalma-djalma, toer maneh noe meunang.” Seug Jakoeb koe andjeunna diberkahan di dinja. Toeloej eta enggon koe Jakoeb dingaranan Peniël (těgěsna pameunteu Allah), karana saoerna: „Aing geus nendjo Allah pahareup-hareup sarta njawa aing geus ditoeloeng.” Mangsa Jakoeb ladjěng ti Pěniëļ teja, kaběněran andjeunna [ 48 ]
kabidjilan panon-poë; sarta andjeunna djingkloek koe hal poehoe pingpingna teja.

Ari djalma anoe ngagéloet djeung Jakoeb, nja eta Malaikat Pangeran. Tina hal eta geus dilahir koe nabi Hosea kijeu: „Jakoeb teh taroeng Malaikat sarta dongkap ka meunang; andjeunna nangis bari noenoehoen ka Allah.” (Hosea 12: 4,5). Dongkap ka waktoe harita sakalakoeanana ngan bohong djeung tipoedaja. Koe tina sabab eta Goesti Allah soemping, kěrsa ngarendahkeun Jakoeb, ngapěskeun tanagana. Sanggeus Jakoeb něněda bari nangis, djeung njoehoenkeun berkah Allah, eta Jakoeb meunang berkah, ngaganti siksaàn. Mantas tobat Jakoeb teh teu meunang bae ngaran anjar, meunang deui hate anjar. Tanagana kalahiran geus apěs, nja kitoe pegat kapěrtjajaānana kana tanagana pribadi. Ti watěs harita Jakoeb teh geus teu aja kasijeun koe Esaoe, sabab nganděl ka Allah. Ti watěs harita Jakoeb teh moedoe ngalakonan djalan sangsara dongkap ka toengtoeng hiroepna.

2. Tidinja Jakoeb tjĕngkat sotjana sarta ningali, beh Esaoe soemping, diiring koe 400 djalma. Gantjang madjěng, broek soedjoed ka taneuh toedjoeh kali, dongkap ka těpoeng djeung saderekna. Goera-giroe Esaoe njampeurkeun ka Jakoeb, gabroeg ngarontok, ngarangkoel kana těnggěkna, bari ditjijoeman; sarta pada nangis. Toeloej Jakoeb misaoer: „Oepami simkoering měndak koernija dina sotja akang, moegi-moegi pangabakti simkoering ditampi ti leungeun simkoering.” Ari Jakoeb ngeukeuhan ka Esaoe, toeloej ditampa. Děmi Jakoeb ladjěng ka Soekot, seug ngagaleuh saloewoek těgal, enggon andjeunna masangkeun himahna, toeloej ngadegkeun hidji altar di dinja. Tidinja Allah nimbalan ka Jakoeb: „Geura dangdan, koedoe indit ka Bet-El, djeung koedoe njijeun hidji altar di dinja pikeun Allah, anoe nembongan ka maneh basa maneh kaboer bawaning sijeun koe Esaoe.” Seug eta koe Jakoeb dilampahkeun. Sanggeus kitoe dongkapna ka Ishak ramana, di Mamre. Děmi oemoer Ishak 180 taoen, tidinja dongkap ka poepoet njawana, toeloej poepoes, dirijoengkeun ka bangsana; sěpoeh, toer wareg nja oemoer. Toeloej dikoerébkeun koe poetrana, koe Esaoe djeung Jakoeb teja. [ 49 ]

§19. Joesoep djeung saderek-saderekna.

(1 Moesa 37.)

1. Ari Joesoep, poetra Jakoeb, geus dongkap ka oemoer 17 taoen, toeloej djadi toekang ngangon djeung saderek saderekna; sarta moen aja bedja goreng hal saderekna, koe Joesoep sok didongkapkeun ka ramana. Ari Israil mikaäsih ka Joesoep, leuwih ti batan ka poetra noe loba, sabab pangmeunangna eta poetra geus sěpoeh, sarta dipangdamělkeun hidji badjoe warna roepana. Barang eta těrangeun ka saderekna, toeloej pada geuleuheun ka Joesoep, wani geus teu barisaeun sasaoeran leuleuj ka dinja. Malah-malah hidji mangsa Joesoep boga impian, toeloej ditjarijoskeun ka saderek-saderekna, saoerna: „Mangga rareungeukeun ijeu impian, anoe kaimpi koe koering. Salěrěsna oerang keur pada mangkek di kebon, njijeun beungkeutan; doemadakan, beungkeutan koering neut hoedang, toeloej nangtoeng bae, děmi beungkeutan akang sadaja pada datang ngaroeboeng, seg njarěmbah ka beungkeutan koering.” Ngomong saderekna ka Joesoep: „Koetan sija bakal djadi radja, ngaradjaän ka aing sakabeh?” Geus kitoe eta tambah deui gareuleuheunana ka dinja. Tidinja Joesoep boga deui impian, seg ditjarijoskeun deui ka saderek-saderekna, saoerna: „Salěrěsna koering gadoeh deui impian; doemadakan, sarangenge, boelan sarawoeh bentang sawělas pada njarěmbah ka koering.” Barang geus ditjarijoskeun ka ramana, toeloej koe ramana diseuseul, kijeu lahirna ka dinja: „Eta impian naon, anoe kaimpi koe ěnoeng? Naha ama djeung iboe ěnoeng, sarta djeung doeloer-doeloer ěnoeng, bakal daratang njarěmbah ka ěnoeng, njoeoeh kana taneuh?" Ari saderekna seg pada děngki ka Joesoep, děmi koe ramana eta pěrkara disimpěn.

2. Hidji mangsa saderek Joesoep laleumpang, sědja ngangon ěmbe-domba ramana di nagara Sěkem. Tidinja Israil ngalahir ka Joesoep: „Geura djig tendjoan, doeloer-doeloer ěnoeng salamět hanteuna, kitoe deui ěmbe-domba salamět hanteuna." [ 50 ]
Ari Joesoep koe saderek-saderekna katendjo ti kadjaoehan, pok njalaoer doeloer pada doeloer: Itoe geuning djoeroe ngimpi teja datang ka dijeu! Ari ajeuna, hajoe oerang paehan, sarta oerang padjarkeun manehanana dihakan sato galak; mangke katangen koe oerang, impianana pikoemahaeun.” Barang kadenge koe Roebin, heug ngaloepoetkeun Joesoep ti leungeun saderek-saderekna, omongna: „Poma oelah dek ngoetjoerkeun gětih; pitjeun bae ka ijeu soemoer, noe di těgal lega.” Noe dipambrih koe Roebin, hajang ngaloepoetkeun Joesoep ti leungeun saderek-saderekna. Pek Joesoep koe eta dirangsadan badjoena, badjoe anoe warna roepana teja, anoe dipake. Kěk ditjěkěl, toeloej dipitjeun ka soemoer. Ari eta soemoer kaběněran kosong, taja tjaian. Tidinja gek darijoek baranghakan. Seug tjaringkat panonna sarta narendjo, beh hidji kapilah oerang Ismail moeroeboel ti tanah Gilad, sarta onta-ontana dimomotan sambara-sambara,

[ 51 ]


geutah tamba reudjeung moer, keur di pangnjabaän, dek dibawa ka Měsir. Pok Joeda ngomong: „Naon kaoentoenganana, lamoen oerang maehan ka doeloer oerang, sarta dirimboenan gětihna? Hajoe oerang anggoer djoewal ka eta oerang Ismail, sarta oerang oelah těrap nja leungeun ka dinja; karana doeloer oerang, sadaging djeung oerang.” Ari saderekna pada ngagoegoe ka Joeda. Heg Joesoep koe saderek-saderekna ditarik, dihandjatkeun tina soemoer, bari toeloej didjoewal ka eta oerang Ismail, harga 20 wang perak. Geus kitoe Roebin balik kana soemoer; doemadakan, Joesoep geus teu aja di djero soemoer. Pek Roebin njosoëk papakeanana. Toeloej malikan ka saderek-saderekna, bari seug ngomong kijeu: „Boedak teh wět teu aja; ari koela teja ka mana nja pileumpangeun?” Tidinja njarokot badjoe Joesoep, sarta meuntjit hidji ěmbe badot; pek badjoena diantjlomkeun kana gětihna. Geus kitoe ngirimkeun eta badjoe, disanggakeun ka ramana, bari kijeu pioendjoekna: „Koering sadaja měndak ijeu; mangga waspaoskeun, ieu teh raksoekan poetra ama teja, atanapi lain?” Ari Jakoeb teh waspaoseun, sarta ngalahir kijeu: „Enja badjoe anak kami; dihakan sato galak; geus tangtoe Joesoep disasaäk! Toeloej Jakoeb prihatin koe hal poetrana, lila katjida.

Katěrangan. Matak heran, aja loba dina tjarita Joesoep anoe sama djeung tjarijos Goesti Jesoes. Ari pernahna doeloer-doeloer Joesoep moenggoeh ka Joesoep djadi kalangkang pěrnahna Goesti Jesoes moenggoeh ka perang Jahoedi, anoe djadi saderekna Goesti moenggoeh daging mah. Goesti teh dipiwarang koe ramana ka darinja. Eta pada ngageuleuh ka andjeunna hanteu djeung sababna. Eta pada rerěmpoegan dek maehan ka andjeunna. Koe Joedas Goesti teh didjoewal harga 30 gebleg perak. Sanggeus kitoe Goesti teh disěrahkeun ka oerang kapir, d.t.


§ 20. Pangawoelana Joesoep di tanah Měsir.

(1 Moesa 39, 40.)

1. Děmi Joesoep koe oerang Midian teja toeloej didjoewal ka Měsir, ka Potipar, ponggawa Piraon (radja). Ari Pangeran njarěngan ka Joesoep, datang ka djadi djalma loeloes lakoe[ 52 ]
lampahna; anoe matak Joesoep manggih koernija dina sotja djoeragan, sarta djadi gandekna, didjěněngkeun ngoeroes sagedongna, djeung sanişkara kagoenganana diselehkeun ka leungeun Joesoep. Ari Joesoep teh aloes děděg, kasep roepa. Sanggeus kitoe geureuha djoeraganana sok ngabilěng ka Joesoep. Hidji waktoe ngagoda ka dinja. Ari Joesoep mah emboengeun, kijeu saoerna: „Sajaktosna djoeragan paměgét hanteu miloe-miloe oeninga sareng koering; ari saniskantěn kagoenganana geus diselehkeun ka leungeun koering. Na koemaha koering rek migawe kagorengan sakitoe gede, sareng ngalampahkeun dosa ka Allah?” Geus kitoe dina hidji poě Joesoep asoep ka gědong, sědja ngalampahkeun pagaweanana; pareng djalma-djalma eusi gědong taja saoerang-oerang atjan di djěro gědong. Kěk istri teh newak badjoe Joesoep, bari njaoer: „Hajoe, oerang ngěděng djeung kami!” Tjoel badjoena diantep bae dina pananganana, bari seg kaboer, bidjil ka loewar. Toeloej istri teh ngageroan djalma-djalma eusi gědongna, bari misaoer ka darinja: „Tarendjo, djoeragan ka oerang geus ngasoepkeun eta oerang Ibrani, sina ngaheureujan ka oerang. Pek kami gěgěroan, make sowara bědas, tjoel manehanana ninggalkeun badjoena di gigireun kami, bari seg kaboer, bidjil ka loewar." Barang Potipar soemping ka gědongna, toeloej mihatoer ka andjeunna sakoemaha kasaoeranana noe tadi. Toeloej djoeragan djadi běndoe. Tidinja Joesoep koe djoeraganana ditangkep, bari seug diselehkeun ka pangberokan anoe paranti sakitan radja. Děmi Pangeran njarengan ka Joesoep, sarta nodjokeun kaäsihan ka dinja, malah dipaparin koernija dina panon kapala pangberokan. Ari sakabeh sakitan koe eta diselehkeun ka leungeun Joesoep, djeung saniskara noe koedoe dilampahkeun di dinja dioeroeskeunana koe Joesoep. Kapala pangberokan teh teu ngalijeuk-lijeuk atjan ka sakabeh naon-naon anoe ditjěkěl koe Joesoep, sapedah Pangeran njarěngan ka dinja; naon bae anoe dilampahkeun koe Joesoep, koe Pangeran diloeloeskeun.

2. Děmi sanggeusna sagala pěrkara noe tadi teja, toekang [ 53 ]
inoeman radja Měsir sarta djeung toekang roti baroga dosa ka goestina. Anoe matak Piraon běndoe ka eta doewa ponggawa, toeloej diselehkeun ka pangberokan, enggon Joesoep ditoetoep. Ari ajana dina pandjara sababaraha poë lilana. Tidinja doewanana pada boga impian, masing-masing impianana, dina hidji peuting. Ari Joesoep ngadeuheusan ka darinja wantji isoek sarta ditendjo, doemadakan, pada koetjem; seug naros ka darinja: „Koe naon noe mawi andjeun poě ijeu pada měsoem?” Ari djawabna ka Joesoep: „Kaoela pada boga impian, sarta euweuh anoe bisa něrangkeun." Pihatoer Joesoep ka darinja: „Naha sadajana katerangan lain kagoengan Allah? Mangga tjarijoskeun ka koering.” Pok kapala toekang inoeman kijeu tjaritana ka Joesoep: „Dina impian kaoela, doemadakan, aja hidji tangkal anggoer di hareupeun kaoela, sarta eta tangkal anggoer tiloe dahanna. Děmi eta teh eukeur djadi, bidjil kembangna, ranggeujanana datang ka asak boewahna. Ari leungeun kaoela njěkěl loemoer Piraon. Seg eta boewah-boewah koe kaoela dipětik, bari dipěrěs kana loemoer Piraon; toeloej loemoer teh koe kaoela disanggakeun ka panangan Piraon.” Pihatoer Joesoep ka dinja: „Kijeu katěranganana: anoe tiloe dahan teja nandakan tiloe poë. Tiloe poë deui sirah andjeun koe Piraon bakal ditjéngkatkeun, sareng dilěbětkeun deui ka pangkat andjeun, sakoemaha adat tadi. Sawangsoelna moegi masing eling ka diri koering, dimana andjeun geus genah, sareng moegi ngoendjoekkeun koering ka Piraon, ngalantarankeun koering dika-loewarkeun ti djéro ijeu imah. Karana koering teh teu milampah kijeu-kijeu, anoe matak diasoepkeun kana ijeu gorowong.” Barang kapala toekang roti geus waspada, jen něrangkeunana ngeunah, pok njaoer ka Joesoep: „Kaoela pon kitoe keneh, dina impian kaoela, doemadakan, kaoela keur njoehoen tiloe tetenong, dieusi roti bodas. Ari tetenong noe pangloehoerna eusina saroepaning katoewangan Piraon, gawe toekang roti; seg koe manoek diparatjokan tina tetenong anoe disochoen koe kaoela.” Ngawangsoel Joesoep, kijeu wangsoelanana: „Tiloe poë deui sirah andjeun koe Piraon bakal [ 54 ]
ditjěngkatkeun, dieuweuhkeun ti diri andjeun, bari seug andjeun digantoengkeun dina kai; sareng manoek bakal maratjokan daging andjeun tina diri andjeun.” Geus kitoe dina poë noe katiloe poë wewědalan Piraon. Harita kapala toekang inoeman koe Piraon dilěbětkeun deui ka pangkatna. Děmi kapala toekang roti mah dipiwarang digantoeng, sakoemaha nerangkeunana Joesoep ka darinja. Ari kapala toekang inoeman teh teu elingeun ka Joesoep, satěgěsna poho.


§ 21. Joesoep diagoengkeun.

(1 Moesa 41.)

1. Děmi geus meunang doewa taoen, Piraon ngimpen, doemadakan, andjeunna ngadeg di sisi tji Enil. Beh tina tjai Enil harandjat toedjoeh sapi, araloes roepana djeung lalintoeh dagingna. Geus kitoe beh toedjoeh sapi sedjen deui harandjat tina tji Enil, sapandeurieun eta, garoreng roepana djeung karoeroe dagingna. Seg sapi noe bijen teh ngahakanan kana toedjoeh sapi noe araloes teja, datang ka bejak. Toeloej Piraon lilir. Tidinja koelěm deui, seug ngimpen ngadoewa-kalian. Beh toedjoeh ranggeujan baridjil tina tangkal gandoem hidji, baleuneur nja harade. Geus kitoe, beh toedjoeh ranggeujan noe harapa djeung parerang koe angin ti wetan djaradi sapandeurieun eta. Seg ranggeujan noe bijeu teh pada ngaléglégan kana toedjoeh ranggeujan noe baleuneur nja parěpěl teja, datang ka bejak. Toeloej Piraon lilir deui, horeng teh impian. Geus kitoe, wantji isoek soekmana goelinggasahan. Seug miwarang njaoer sakabeh pandita Měsir, djeung sakabeh djalma noe pintěr di dinja, tatapi taja hidji-hidji atjan noe bisa nerangkeun eta impian ka Piraon. Pok kapala toekang inoeman teja oendjoekan ka Piraon, kijeu pioendjoekna: „Simkoering dangět ajeuna ras eling ka dosa simkoering. Basa Piraon keur běndoe ka abdi-abdina teja, seug simkoering diselehkeun, dipandjara, nja diri simkoering sínaréngan kapala toekang roti teja. Tidinja simkoering sami gadoeh impenan, dina hidji wengi. Doepi di dinja, [ 55 ]
sasarengan simkoering, aja hidji djalma anom, oerang Ibrani. Seug impenan simkoering koe eta diterangkeun ka simkoering, něrangkeunana masing-masing noeroetkeun impenanana. Doepi geus kitoe, sakoemaha eta nerangkeunana ka simkoering, nja kitoe pisan djadina: simkoering dilebětkeun deui ka pangkat simkoering noe tadi, doepi eta mah digantoeng.”


2. Tidinja Piraon miwarang njaoer Joesoep. Gantjang Joesoep dika-loewarkeun tina gorowong; pek ditjoekoer, sarta disalin papakeanana, bari toeloej ngadeuheus ka Piraon. Pok Piraon ngalahir ka Joesoep: „Kami teh boga impian, tatapi taja noe bisa nerangkeun; ngan kami meunang bedja hal maneh, oedjarna tijap-tijap maneh ngadenge impian, geus tangtoe bisa nerangkeun.” Ngawangsoel Joesoep ka Piraon: „Simkoering mah teu pisan-pisan; Allah noe ijasa maparin pitoedoeh perkawis kawiloedjengan Piraon.” [ 56 ]
Toeloej Piraon njarijoskeun impenanana ka Joesoep. Pioendjoek Joesoep ka Piraon: Impenan Piraon toenggal hidji bae. Anoe koe Allah dikersakeun didaměl, koe Allah geus dinjatakeun ka Piraon. Sajaktosna toedjoeh taoen ka-pajoenna bade djembar kalangkoeng-langkoeng di satanah Mesir. Doepi sapoengkoereun eta piajaeun toedjoeh taoen patjeklik, moenggah sadajana kadjěmbaran teja kahilapan di satanah Měsir. Doepi pěrkawis impenan teh dipindo ka Piraon teh, ngimpen doewa kali teja, nawiskeun eta pěrkawis geus ditangtoskeun ti Allah, malah enggal pisan koe Allah didaměl. Ari ajeuna pisaeëunana Piraon roeroet-reret, milih hidji djalma noe binangkit nja pintěr; nja eta kědah dibakoekeun njangking tanah Mesir. Sarawoeh kedah njandak sapěrlima hasil tanah Měsir di djěro noe toedjoeh taoen kadjěmbaran teja. Ari eta teh sina ngoempoelkeun sađajana kahasilan taoen noe sarae, anoe ka pajoen teja, bade pisangoeëun noe toedjoeh taoen patjěklik, anoe piajaeun di tanah Mesir teja.”

3. Ari pioendjoek teja pangraos Piraon hade pisan, kitoe deui pangrasa sadaja mantri-mantrina. Ngalahir Piraon: „Pikoemahaeun oerang manggih djalma saperti ijeu, anoe kaäsoepan Roh Allah? Sapedah Allah geus maparin njaho eta sakabeh pěrkara ka andika, moal aja noe binangkit djeung pinter mapakan andika. Andika noe pinjabakeun sagědong kami, sarta hal parentah andika mangke ditoeroet koe sakabeh rahajat kami; ngan sapanglinggihan ijeu mah kami teh gěde ti batan andika.” Sarta Piraon ngalaän tjingtjinna ti ramo andjeunna, seug diasoepkeun ka ramo Joesoep, djeung dianggoan koe panganggo boëh katji, sarta tenggek Joesoep koe Piraon dikangkaloengan emas. Tidinja disina toenggang kareta noe kadoewa, kagoengan Piraon, sarta aja noe pada tjetjěloekan ti pajoeneunana kijeu: „Geura tapak-toeoer!” Djadi Joesoep teh koe andjeunna dipaparin njangking satanah Měsír. Ari djěněngan Joesoep koe Piraon dilandi Sapnat Paäneah (těgěsna Djoeroe-salamět doenya), sarta dipaparin pigarwaeun, nja eta Asnat, poetra Potipera, noe djadi panghoeloe di nagara On. Ari oemoer Joesoep [ 57 ]
keur mangsa marék di pajoeneun Piraon 30 taoen. Tidinja Joesoep ka loewar ti pajoeneun Piraon, ngadjadjah satanah Mesir. Toeloej ngoempoelkeun sakabeh kahasilan eta noe toedjoeh taoen, noempoekkeun gandoem teu kira-kira lobana, saperti keusik noe di laoet. Geus kitoe, ari geus datang patjěklik di satanah Měsír, seg djalma-djalma pada sasambat ka Piraon, njoehoenkeun tědaeun. Děmi timbalan Piraon ka sakabeh oerang Měsir: „Geura laleumpang ka Joesoep; naon bae parentah Joesoep ka maraneh, koedoe lalampahkeun.” Djeung deui ti sakabeh tanah pada datang ka Mesir, ngadareuheusan ka Joesoep, meuli gandoem; karana patjeklik teh rosa pisan di sakabeh tanah. Ari Joesoep meunang doewa poetra lalaki, anoe dingaranan Menase djeung Epraim.


§ 22. Saderek-saderek Joesoep angkat ka Měsir kahidji kalina.

(1 Moesa 42.)

1. Ari patjèklik teh kitoe deui di tanah Kanaän. Děmi Jakoeb geus waspaoseun, jen di Měsir aja gandoem, pok ngalahir ka poetra-poetrana: „Geura arijang ka dinja; koedoe meuli gandoem ka dinja pikeun oerang, soepaja oerang hiroep, oelah datang ka paeh.” Ari Binyamin, raji Joesoep teja, koe Jakoeb hanteu dipiwarang djeung saderek-saderekna; karana lahiranana: „Bisi manggih koemaonam.” Toeloej poetra Israil darongkap, sědja meuli gandoem, ngadareuheusan ka Joesoep; seg saroedjoed ka andjeunna, njoeöeh kana taneuh. Ana Joesoep ningali saderek-saderekna, teu panglingeun, tatapi poera-poera teu oeninga, sarta misaoerna bengis ka darinja, kijeu lahiranana: „Maraneh datang ti mana?” Pioendjoekna: „Soemoehoen, ti tanah Kanaän, soemědja ngadoewit gandoem baris tědaeun.” Děmi eta mah geus pada pangling. Ras Joesoep elingeun ka impianana, pěrkara ngimpikeun maranehanana teja. Pok ngalahir deui ka darinja: „Maraneh teh djalma noe lolongok; pangdatang maraneh hajang nendjo lébah mana tanah jeu ngaboeliklak.” Ari pioendjoekna ka andjeunna: „Lain kítoe, goesti; abdi gamparan estoe [ 58 ]
sědja ngadoewit gandoem baris tědaeun; abdi teh djalma balěněr; hanteu pisan-pisan abdi gamparan djadi djalma noe lolongok. Abdi gamparan asalna 12 doeloer lalaki; abdi sadaja anak djalma saoerang, di tanah Kanaän; sajaktosna boengsoena dangět ajeuna aja di poen bapa, doepi noe saoerang deui mah geus teu aja.” Lahiran Joesoep ka darinja: „Nja eta noe koe kami ditjatoerkeun ka maraneh anoe kijeu teja: „Maraneh teh djalma noe lolongok. Maraneh moal ka loewar deui ti dijeu, ari doeloer maraneh anoe boengsoe teja tatjan datang ka dijeu. Saoerang ti maraneh titah leumpang, ngala doeloer maraneh; ari maraneh mah dek ditoetoep. Eta omongan maraneh dek ditjoba, maraneh sajaktina atawa lain.” Toeloej pada diasoepkeun kana pandjara, meunang tiloe poë.

Ari Joesoep hanteu waka nganjatakeun andjeun ka doeloer-doeloerna, bawaning hojongeun oeninga heula eta teuas keneh hatena tjara baheula atawa hanteu.

2. Ari dina poë noe katiloe pok Joesoep ngalahir ka darinja: „Koedoe milampah kijeu, soepaja maraneh hiroep; kami teh sijeun koe Allah. Doeloer maraneh saoerang tětěpkeun ditoetoep dina pandjara; ari maraneh geura maroelang, mawa gandoem tamba langlajeuseun ahli-ahli maraneh. Seg doeloer maraneh noe boengsoe teja bawa ka kami, ngajakinkeun omongan maraneh.” Pok mitjatoer doeloer pada doeloer: „Sanjana oerang bareto milampah salah ka doeloer oerang teja. Kasoesahan hatena koe oerang katendjo, basana menta dipikaroenja koe oerang; ari koe oerang teu digoegoe, kitoe noe matak oerang kadatangan kasoesahan sakijeu.” Ari eta teh teu njarahoëun, jen koe Joesoep kahartos, wantoe-wantoe sasaoeranana djeung saderek nganggo hidji djoeroe-basa. Seug Joesoep malik ti maranehanana bari nangis. Geus kitoe njandak Simon ti maranehanana, bari dibarogod sakali di hareupeun maranehanana. Tidinja Joesoep miwarang, wadah-wadahna koedoe diareusian koe gandoem, sarta oewangna koedoe dipoelangkeun, diasoepkeun kana karoeng saoerang-saoerangna, djeung koedoe pada diběkělan baris di djalan. Toeloej [ 59 ]
marangkat ti dinja, seug darongkap ka ramana, sarta ngoeningakeun ka andjeunna sakoer noe kasorang koe maranehanana. Geus kitoe, mangsa ngaroedoelkeun karoeng-karoengna, doemadakan, boengkoesanana oewang aja dina karoeng saoerang-saoerangna; seug pada sarijeuneun. Ngalahir Jakoeb ka darinja: „Maraneh ngalapoerkeun anak amal Joesoep geus teu aja, djeung Simon geus teu aja, ari ajeuna maraneh rek mawa Binyamin. Eta sakabeh pěrkara matak tjilaka ka ama!”


§ 23. Saderek-saderek Joesoep angkat kadoewa kalina.

(1 Moesa 43.)

1. Ari patjeklik teja banget katjida dina eta tanah. Geus kitoe, mangsana gandoem, beunangna ngarala ti Měsir teja, geus bejak didahar, pok ramana nimbalan ka darinja kijeu: „Geura laleumpang deui, koedoe mareuli deui pihakaneun oerang saeutik.” Pok Joeda oendjoekan ka andjeunna: „Eta djalma sangět nja ngelingan ka koering sadaja, pilahirna: Maraneh moal narendjo deui beungeut kami, kadjaba lamoen doeloer maraneh teja miloe djeung maraneh. Manawi eta doeloer koering koe ama dipiwarang leumpang sareng koering sadaja, mangga, koering sědja arijang, ngadoewit pidahareun ama. Sawangsoelna, madak eta koe ama hanteu dipiwarang leumpang mah, koering moal arijang." Ngalahir Israil: „Naha maraneh mana sakitoe goreng ka ama, ngoeningakeun ka eta djalma, jen maraneh aja deui doeloer?” Ari pioendjoekna: „Eta djalma hantěm mariksakeun pěrkawis sanak-baraja koering. Koemaha koering pitěrangeun, jen bakal nimbalan kijeu teja: Eta doeloer maraneh koedoe bawa mijang?” Oendjoekan deui Joeda ka Israil ramana: „Mangga, boedak teh piwarang leumpang, titipkeun ka koering; nja koering anoe nanggoeng inja. Manawi koe koering hanteu disanggakeun deui ka ama, sareng hanteu didjonghokkeun ka pajoeneun ama, daek gadoeh dosa ka ama satoetoep oemoer.” Toeloej Israil ramana ngalahir ka darinja: „Lamoen kitoe mah, atoeh koedoe migawe kijeu: koedoe njarokot [ 60 ]
hasil taneuh ijeu anoe pangkapoedjina, seg barawa ijang pikeun pangabakti ka eta djalma; nja eta geutah tamba reudjeung madoe, sambara-sambara reudjeung moer, boewah lengkeng sarta boewah kanari. Djeung koedoe mawa oewang doewa kali meuli; karana oewang anoe poelang deui dina lijang karoeng teja, koe maraneh koedoe dibawa disanggakeun deui, boa kasalahan. Sarta doeloer maraneh teh bawa bae. Ari Allah anoe moerba wisesa moegi-moegi ka maraneh maparin kawělasan di pajoeneun eta djalma, soepaja doeloer maraneh noe hidji deui sarta djeung Binyamin koe eta djalma dipiwarang moendoer barěng djeung maraneh!”

2. Djoeng arijang ka Měsir. Sadongkapna pada marěk ka pajoeneun Joesoep. Barang Joesoep ningali Binyamin miloe djeung maranehanana, seug nimbalan ka noe njěkěl gědongna: „Ijeu djalma-djalma anteurkeun ka gědong, sarta koedoe meuntjit peupeuntjitan, bari disadijakeun sakali; karana ijeu djalma-djalma ĕngke těngah poë dalahar djeung kami.” Seug djalma-djalma teh sarijeuneun, sabab diarasoepkeun ka gědong Joesoep. Pok ngaromong: „Hal pěrkara oewang, anoe poelang deui dina karoeng-karoeng oerang bareto teja, noe matak oerang diasoepkeun; meureun oerang teh ditjokot, didjijeun boedak, sarta djeung kalde-kalde oerang.” Toeloej pada njampeurkeun ka eta djalma, sědja moelangkeun oewang teja ka dinja. Ari saoerna: „Montong teuing sarijeun! Allah sampejan djeung Allah rama sampejan maparin pěpěnděman ka sampejan dina karoeng-karoeng sampejan: oewang sampejan teja geus datang ka kaoela. Sarta eta djalma ngaloewarkeun Simon teja ka maranehanana. Geus kitoe Joesoep soemping ka gědong. Gantjang pada njanggakeun ka andjeunna pangabakti beunangna mawa teja, di djěro gědong, sarta pada soedjoed ka andjeunna, njoeoeh kana taneuh. Seug Joesoep mariksakeun ka darinja salamět hanteuna, sarta ngalahir kijeu: „Koemaha, bapa maraneh anoe sěpoeh, salamět? Koemaha hiroep keneh?” Ari pioendjoekna: „Berkah, abdi gamparan, poen bapa, salamět; hiroep keneh, noen.” Ana Joesoep tjěngkat [ 61 ]
sotjana, sarta ningali Binyamin rajina, poetra saiboe, pok ngalahir: „Naha, nja ijeu doeloer maraneh noe boengsoe, anoe koe maraneh ditjatoerkeun ka kami teja?” Seg ngalahir deui: „Eh ěnoeng! moegi aja sih-koernija Allah ka maneh.” Toeloej Joesoep gěsat-gěsoet moeroe geusan nangis; seug lěbět kana hidji kamar sarta nangis di dinja. Geus kitoe sipeunteu, bari toeloej kaloewar deui, sarta ngarěkétkeun andjeun. Tidinja nimbalan: „Geura ngatoer kadaharan.” Prak diatoerkeun baris andjeunna njalira, sarta baris saderekna sabatoer eta, kitoe deui baris oerang Měsir, anoe sok dahar sasarěngan djeung Joesoep, sabatoer eta. Sabab oerang Měsir hanteu kongang dahar djeung oerang Ibrani reudjeung, karana lampah kitoe kagiroek oerang Měsir. Gek tjaralik di pajoeneunana, tjikalna noeroetkeun katjikalanana, ari boengsoena noeroetkeun kaboengsoeanana; noe matak eta djalma silih-tendjo djeung doeloer, bari hareraneun. Toeloej pada dipoepoendoetan katoewangan ti pajoeneun Joesoep. Děmi katoewangan Binyamin lima kalieun katoewangan anoe reja.


§ 24. Joesoep ngababarkeun andjeun ka saderek- saderekna.

(1 Moesa 44, 45.)

1. Geus kitoe Joesoep miwarang ka noe njěkěl gědongna teja, kijeu piwaranganana: „Karoeng-karoeng eta djalma geura areusian koe kahakanan, sakabawana bae; ari doewit saoerang-saoerangna teundeun dina lijang karoengna. Djeung deui loemoer kami, loemoer perak teja, koedoe teundeun dina lijang karoeng anoe boengsoe, sarta djeung pameulina gandoem.” Prak ngalampahkeun sapilahir Joesoep. Isoek-isoek, barang bjar, heug eta djalma di djoeroeng lakoe, maranehanana djeung kalde-kaldena. Barang geus ka loewar ti dajeuh, tatjan djaraoeh, seg Joesoep nimbalan ka noe njokėl gědongna teja: „Maneh geura dangdan, koedoe ngoedag njoesoel eta djalma-djalma; dimana geus kasoesoel, koedoe ngomong ka darinja kijeu: Naha koe maraneh [ 62 ]
kahadean dibales koe kagorengan? Lain nja eta, noe koe goesti kaoela sok dianggo ngaleueut, sarta sok dianggo norah? Goreng těměn lampah, anoe koe maraneh dilampahkeun.” Barang geus kasoesoel, pok eta djalma mitjatoer ka darinja sakoemaha kasaoeran tadi. Děmi pihatoerna ka eta djalma: „Sageuj teuing! Dalah oewang, anoe koe koering sadaja kapěndak dina lijang karoeng-karoeng teja, geus dipoelangkeun deui ka andjeun; na koemaha koering ti gědong goesti andjeun rek maling perak atawa ěmas? Mana-mana abdi gamparan anoe kapěndak njimpěn, mangga paehan; samalah koering noe reja sanggoep djadi boedak djoeragan.” Ari saoerna: „Hade ajeuna, kitoe bae. Saha-saha anoe kapanggih ngampihan, nja eta pidjadieun boedak kami.” Gagantjangan pada noeroenkeun sakaroeng-karoengna kana taneuh, bari pada diboekakeun. Toeloej djalma teh ngoeběk ngoeběk, ngamimitianana ti noe pangkolotna, nganggeuskeunana di boengsoena; ari loemoer teh kapanggihna dina karoeng Binyamin. Pek eta djalma pada njosoëk papakeanana, seug baralik deui ka dajeuh.

2. Sadongkapna boes Joeda djeung saderek saderekna arasoep ka gedong Joesoep. Broek pada ngaroeboehkeun maneh ka pajoenoen andjeunna, kana taneuh. Ngalabir Joesoep ka darinja: „Nahaon kalakoean kitoe, anoe dilampahkeun koe maraneh?” Ngawangsoel Joeda: „Simkoering sadaja koemaha nja oendjoekan ka goesti? Kadorakaän abdi-abdi gamparan koe Allah geus kapěndak. Soemangga, simkoering pada djadi boedak goesti.” Děmi lahiran Joesoep: „Sageuj teuing kami teh ngalampahkeun anoe kitoe pětana! Djalma noe kapanggih ngampihan loemoer teh, nja eta noe pidjadieun boedak kami; ari maraneh noe reja geura maroelang bae ka bapa maraneh, sarta sing salamět.” Toeloej Joeda mihatoer kijeu: „Noen goesti! madak aja paidin, abdi gamparan sědja ngoendjoekkeun pioendjoek sakětjapeun ka tjěpil goesti. Njawa abdi gamparan, poen bapa, katjangtjang ka njawa ijeu boedak. Ari diri abdi geus nanggoeng eta boedak ka poen bapa. Ajeuna diri abdi moegi [ 63 ]
diidinan tetep di dijeu, ngagěntosan eta boedak, djadi abdi goesti; doepi eta boedak moegi diidinan moendoer sareng doeloer-doeloer. Karantén pikoemahaeun diri abdi nja moendoer ka poen bapa, ari boedak hanteu sareng mah?” Oelah koengsi diri abdi nendjo karipoehan, anoe pikapěndakeun koe poen bapa!”

3. Tidinja Joesoep geus teu ijasaeun ngarěkětkeun andjeun ka sakabeh anoe keur doemeuheus ka andjeunna. Tidinja nangis, sarta bědas; toeloej ngalahir ka saderek-saderekna: „Ijeu kami Joesoep. Koemaha, ama hiroep keneh?” Děmi saderekna teu barisaeun ngawangsoel ka andjeunna, karana pada soeměblak di pajoeneunana. Ngalahir deui Joesoep ka darinja: „Geura aliser ka kaoela! Ijeu kaoela Joesoep, doeloer maraneh, anoe koe maraneh didjoewal ka Mesir teja. Děmi ajeuna, oelah rek

[ 64 ]ngarěrik pikir, sarta oelah rek panas ati maraneh, tina sabab ngadjoewal kaoela ka dijeu; karana kaoela koe Allah dileumpangkeun ti heulaeun maraneh, soepaja matak ngahiroepan. Karana geus doewa taoen ajenna patjěklik di sadjěro įjeu tanah, sarta lima taoen deui moal aja noe njamboet, soemawonna diboewat. Ari ajeuna, lain maraneh anoe ngadatangkeun kaoela ka dijeu, istoening Allah. Gesat-gesoet geura maroelang ka ama, sarta koedoe kijeu nja oendjoekan ka andjeunna: „Kijea pioendjoek poetra ama Joesoep: Koering koe Allah didjadikeun djoengdjoenan, njěkěl sakoeriling Měsir. Mangga, geura ngalih ka koering, oelah arek lami. Ari koering sědja njčkapan ka ama; karanten patjëklik teh lima taoen deui. Sing gésat-gúsoet, ama teh geura bawa ngalih ka dijeu.” Toeloej Joesoep ngarangkoel kana poendoek Binyamin, rajina, bari nangis. Seug njijoeman ka sakabeh saderekna, sarta ditangisan.

4. Geus kitoe bedjana kadangoe koe radja. Ari pangraos Piraon hade pisan. Ngalahir Piraon ka Joesoep: „Geura marentah ka doeloer-doeloer awak: Maraneh koedoe laleumpang, maroelang ka tanah Kanaän. Geus kitoe koedoe njarokot bapa maraneh, sarta djeung saeusi-imah maraneh, bari toeloej ka darijeu, ka kami. Koedoe marawa kareta ti tanah Měsir pikeun maraneh, baris anak-rabi maraneb, sarta toenggangkeun bapa maraneh, seug ka darijeu. Djeung deui panon maraneh oelah hawatir teuing koe hal paparabotan maraneh; karana noe panghadena di satanah Měsír adjang maraneh.”

Djoeng arangkat ti Měsir, toeloej darongkap ka tanah Kanaäu. Gantjang pada ngoeninga ka ramana: „Joesoep hiroep keneh, malah nja eta pisan noe njangking kawasa ka satanah Mesir teh!” Seug manah Jakoeb leuleus, karana teu pěrtjajaeun ka darinja. Tatapi barang ningali eta kareta-kareta, noe koe Joesoep dikintoenkeun, tidinja soekma Jakoeb hoerip. Pok Israil ngalahir: „Tjoekoep sakitoe! Joesoep, anak ama, hiroep keneh! ama dek leumpang, hajang manggihan, meungpeung ama hiroep keneh.” [ 65 ]

§ 25. Jakoeb ngalih ka Měsir.

(1 Moesa 46, 47.)

1. Tidinja Israil djèngkar, njandak sakabeh kagoenganana. Ana geus dongkap ka Berseba, toeloej ngoerbankeun koerban peuntjitan bade ka Allah. Geus kitoe Allah nimbalan ka Israil dina titingalian ti peuting: „Ijeu kami Allah, nja Allah bapa maneh. Montong sijeun mijang ka Měsir teh; karana maneh koe kami rek didjadikeun bangsa gede di dinja. Kami rek njarengan ka maneh mijang ka Měsir teh, sarta mengke maneh koe kami dibalikkeun; tangtoe moelang deui." Prak Jakoeb dangdan, ladjeng ti Berseba. Ari djoemlah saeusi boemi Jakoeb, anoe asoep ka Měsir teh, 70 djiwa, kadjaba ti garwa-garwa poetrana. Tidinja Jakoeb miwarang Joeda ti pajoen ka Joesoep. Toeloej saroemping ka tanah Gosen. Gantjang Joesoep miwarang masang karetana, toeloej angkat mapagkeun Israil ramana ka Gosen. Ana geus patěpang djeung ramana, gabroeg ngarangkoel kana tenggěkna, sarta nangis dína těnggěkna lila pisan. Pok Israil ngalahir ka Joesoep: „Ajeuna ama soeka paeh, sanggeus nendjo deui raraj énoeng, geus poegoeh énoeng teh hiroep keneh.“

2. Tidinja Joesoep ngadeuheusan, bari seug ngoeninga ka Piraon, bapana sarta doeloer-doeloerna geus darongkap ka tanah Gosen. Sarta ti pělěbah saderekna njandak lima djalma, toeloej dideuheuskeun ka pajoeneun Piraon. Ngalahir Piraon: „Naon pagawean maranoh?“ Ari pioendjoekna: „Soemoehoen, abdi gamparan djaradi pangangon domba, bagija diri abdi, bagija karoehoen abdi;“ sarta bari njoehoenkeun paidinan tjaritjing di tanah Gosen. Ngalahir Piraon ka Joesoep: „Tanah Měsir teh aja di hareupeun awak; eta rama awak reudjeung doeloer-doeloer awak sina tjaritjing di noe pangaloesna tanah ijeu, nja eta sina tjaritjing di tanah Gosen. Sarta oepama awak terang, di maranehanana aja djalma bisa, nja eta djaradikeun kapala ingon-ingon, njěkèl anoe kami.“ Tidinja Joesoep ngalěbětkeun Jakoeb ramana, dideuheuskeun ka pajoeneun Piraon. Ngalahir Piraon ka Jakoeb: Sabaraha reja taoen oemoer bapa?“ Ari [ 66 ]
pihatoer Jakoeb ka Piraon: „Rejana taoen pangoembaraän sadkaoela 130 taoen. Saeutik nja arawon bilangan taoen oemoer sadkaoela teh, sarěng hanteu ngoedag kana rejana oemoer sěpoeh-sepoeh sadkaoela, dina lamina pangoembaraaänana." Seug Jakoeb ngaběrkahan ka Piraon.

Ari tanah Gosen, nja eta tanah Mesir těbeh wetan, anoe kawatěsan koe sěke tji Nel djeung koe tji Misir (Ripokaloera), anoe djadi watesna tanah Palesti. Tauab Gosen eta tanah lega. Di dinja loba tegal pangangonan noe katjida aloesna. Oepama oеrang Israil tetep titjing di tanah Kanaän, bisi daraekeun pabaoer djeung oerang priboemi. Ari kitoe oerang Israil poegoeh leungit. Dl tanah Gosen teu koedoe sijeun koe kitoe, sabab oerang Mesir katjida teuing ngageuleuhna ka toekang ngarangon.

§ 26. Poepoesna Jakoeb djeung Joesoep.

(1 Moesa 47-50.)

1. Ari Israil teja matoeh di tanah Gosen; sarta pada baroga milik dina eta tanah, toer pada baranahan djeung ngarèkahan katjida. Ari hiroepna Jakoeb di tanah Měsir teh meunang 17 taoen; djadi oemoer Jakoeb, taoening hiroepna, dongkap ka 147 taoen. Ari oemoer Israil geus deukeut ka poepoes, toeloej njaoer Joesoep, sarta disoempahan, poma oelah ngoeboer ramana di Mesir, nja moedoe di tanah Kanaän, dina pakoeboeran karoehoenna. Sanggeus kitoe aja noe oendjoekan ka Joesoep: „Noen, rama goesti eukeur ngangloeh.” Gantjang Joesoep ngalajad, njandak poetrana noe doewa, Menase djeung Epraim teja. Toeloej Israil ngoewatkeun andjeun, neut tjalik dina pakoelěman. Pok Jakoeb ngalahir ka Joesoep: „Poetra énoeng anoe doewa, noe diowokeun pikeun ěnoeng di tanah Měsir, samemeh ama datang ka Měsir teja, eta teh anoe ama, saperti Roebin djeung Simon.” Děmi Israil njodorkeun pananganana noe tengen, sok ditoempangkeun ka sirah Epraim, padahal nja eta boengsoena; ari pananganana noe kiwa mah ditoempangkeun ka sirah Měnase; dihadja pananganana dikitoekeun, karana Měnase teh tjikalna. Seug ngaběrkahan, kijeu labirna: „Allah anoe dibakti koe rama-ejang kami, Ibrahim djeung Ishak, loemampah di pajoeneunana [ 67 ]
teja; Allah, anoe ngangon kami ti barang goemělar tepi ka poë ajeuna; Malaikat anoe ngadjait kami ti saniskara katjilakaän, moegi-moegi ngaběrkahan ka ijeu baroedak, masingna pada katělah koe ngaran kami, kitoe deui koe djěněngan rama-ejang kami, sarta masingna ngarejaän, datang ka loba pisan dina boemi.” Tidinja Israil ngalahir ka Joesoep: „Ajeuna ama rek maot, tatapi Allah tangtoe njarengan ka maraneh, sarta maraneh koe andjeunna tangtoe dipoelangkeun ka tanah karoehoen maraneh.”

Děmi Joesoep langkoeng oeninga, oetama djadi poetra Jakoeb, anoe toekang ngangon, ti batan djadi poetra Joesoep, anoe djoeměněng radja anom di tanah Mesir. Ari poetrana asoep kana bangsa Mesir, seug djadi bangsa kapir, ari asoep kana bangsa Israil, seug djadi oemat Allah. Koe doemeh Joesoep diganti koe doewa anakna, meureun aja 13 kadem Israil, Katjaritakeun ka beh-dijeuna kaoem Lewi teh ditjandak koe Allah. koedoe ngawoela ke Allah dina kabah. Geus kitoe kari deui 12 kaoem, Ari Jakoeb aja kahojong dek dikoerëbkeun di tanah Kanaän, nandakeun Jakoeb sama kapërtjajaänana djeung Ibrahim, noe tadina dek ngagaleuh pakoeboeran teh.

2. Geus kitoe Jakoeb njaoer poetra-poetrana noe lalaki. Tidinja koe andjeunna ka sahidji-sahidjina dipaparin njaho ange pikapanggiheun di djaman mengke. Ana dongkap ka Joeda, kijeu lahirna: Eh Joeda! nja maneh anoe bakal diparoedji koe doeloer-doeloer maneh; leungeun maneh piajaeun dina poendoek moesoeh-moesoeh maneh, sarta anak bapa maneh bakal njarémbah ka maneh. Joeda teh ibarat anak singa. Maneh, anaking! ngadjangkoengan tina lantaran njasaäk. Teteken karadjaän moal ingkah ti Joeda, kitoe deui iteuk tjiri njëkël hoekoem tina antara soekoena, nepi ka mangsa soemping Silo; nja ka eta bangsa-bangsa měngke aranoet.(¹) Ari parantos Jakoeb wewěkasna ka poetra-poetrana, seug poepoet njawana. Toeloej Joesoep gabroeg ka pameunteu ramana, ditangisan sarta ditjijoeman. Tidinja Joesoep miwarang abdi-abdina, nja eta ka doekoen-doekoen, koedoe ngoelěsan ramana make seuseungitan. Ari ngoeroeskeunana ka andjeunna djědjég 40 poë. Sarta andjeunna ditjeungtjeurikan koe oerang Měsir 70 poë lilana. Sanggeus kitoe bral Joesoep djèngkar, sědja ngoerébkeun remana. Ari sakabeh [ 68 ]
mantri Piraon pada indit ngiring; kitoe deui saeusi boemi Joesoep, djeung saderek-saderekna, sarta reja deui noe ngiring; aja noe toempak kareta, aja noe toempak koeda, djadi wadya-balad gěde katjida. Děmi Israil koe poetra-poetrana dikoerébkeun dina goeha kebon Makpela teja.

(¹) Ari maksoedna përdjangdjian ijeu, kijeu: Kaoem Joeda bakal jadi kaoem noe moerba dongkap ka soemping Djoeroe-salamët alam doenya. Ka andjeunna sakabehna bangsa-bangsa bakal ngiring, sarta koe andjeunna kapoerbaan kaoem Joeda anoe asal doenya ieu bakal dimoeljakeun djadi kapoerbaan anoe asal ti sawarga. Nja kitoe pisan djadina. Teu pati lila samemehna Goesti Jesoes poepoes, seug oerang Jahoedi dibawahkeun pisan ka oerang Roem; tatapi Kristoes, nja eta Singa ti kaoem Joeda teja (Wahjoe 5:5), ngamoeljakeun karajaan Joeda anoe asal ti doenya, djadi karadjaän sawarga.

3. Mangsa Jakoeb poepoes, toeloej saderek Joesoep sarijeuneun, Joesoep bisi maléskeun ka darinja kagorengan anoe koe maranehanana dipigawe ka andjeunna. Toeloej ngahiras ka Joesoep, sina mihatoer kijeu: „Rama andjeun, ari geus deukeut ka poepoes, miwarang, kijeu piwaranganana: Maraneh koedoe hatoeran ka Joesoep kijeu: Panéda ama, moegi-moegi ngahampoera kamasijatan doeloer-doeloer ěnoeng, sarta djeung dosana teja; estoe pada migawe goreng ka énoeng; děmi ajeuna moegi-moegi ngahampoera kamasijatan abdi-abdi Allah rama ěnoeng!” Ari Joesoep dongkap ka nangis, mangsa eta malihatoer kitoe ka andjeunna. Toeloej kijeu lahiranana ka darinja: „Montong sararijeun! Naha kaoela teh karah gaganti Allah? Lěbaħ maraneh teja ěnja tadina ngarepkeun kaoela manggih kagorengan; děmi koe Allah mah dikersakeun matak djadi kahadean; pangersana tel midaměl sakoemaha noe boekti mangsa ajeuna, kěrsa ngahiroepan djalma pirang-pirang.” Djadi andjeunna ngalilipoer ka darinja, sarta ngoepahan kana ati-atina. Sarta Joesoep njoempahan ka saderek-saderekna, kijeu lahirna: „Allah tangtoe měngke ngalajad ka maraneh, bari dipoelangkeun kana tanah, anoe koe andjeunna didjangdjikeun ka Ibrahim, ka Ishak djeung ka Jakoeb, nganggo soempah teja; seug toelang kaoela koe maraneh koedoe dibawa indit ti dijeu. Tidinja Joesoep poepoes, oemoer 110 taoen. Toeloej [ 69 ]
dioelesan, make seuseungitan, sarta disimpen dina tamběla di Měsir.


§ 27. Tjarijos Ajoeb.

1. Aja hidji djalma di tanah Oes, djéněnganana Ajoeb. Eta djalma ibadah ka Allah, djeung njingkaħ tina kagorengan. Sarta kagoengan poetra, 7 poetra paměgět djeung 3 poetra istri. Ari koering-koeringna mangpirang-pirang, kitoe deui ingon-ingonna. Ari poetra Ajoeb noe paměgét sok arangkat, balaketjrakan di boemina sewang-sewang, di sapoë-sapoëna; sarta sok miwarangan ngondang saderekna noe istri, toeloej dahar-leueut reudjeung saderekna paměgět. Děmi geus kitoe, tijap-tijap geus kaiděr poëna balaketjrakan, gantjang Ajoeb dangdan, prak ngoerbankeun koerban doeroekan sabilangan poetra; karana saoer Ajoeb: „Palangsijang anak aing marigawe dosa, tjoel ka Allah sadjěro atina.” Děmi geus kitoe, hidji poë boeroeboel para poetra Allah (nja eta para malaikat) pada marěk kapajoeneun Pangeran; seug Setan oge datang tjampoer ka eta. Ladjéng Pangeran ka Setan marijos: „Maneh mantas ti mana?” Ngawangsoel Setan teh: „Mantas loentang-loentang, oedar-iděr di boemi.” Timbalan Pangeran ka Setan: „Naha maneh teh teu ngawaskeun abdi kami Ajoeb? Karana taja bandinganana di boemi.” Ngawangsoel Setan teh ka Pangeran: „Karah taja sababna Ajoeb teh ibadah ka Allah? Pagawean leungeunna koe andjeun diberkahan, sareng ingon-ingonna ngarěkahan di boemi.” Ari timbalan Pangeran ka Setan: „Masing njaho, sabobogaänana diselehkeun ka leungeun maneh, ngan maneh oelah njodorkeun leungeun ka dirina.” Bral Setan teh ka loewar ti pajoeneun Pangeran.

2. Ari geus kitoe, hidji poë poetra Ajoeb paměget-istri keur dalahar sarta ngaleueut anggoer di boemí lantjeukna noe djadi tjikal. Hol aja noe mawa bedja ka Ajoeb, oendjoekan kijeu: „Sapi keur pada narik woeloekoe, sareng kalde bikang keur njaratoean kentja-katoehoeëunana; djěboel aja oerang Seba němpoeh, seng dibawa sadajana, ari boedjang-boedjang disarabět koe seuseukeut pědang; doepi diri koering rahajoe, ngan koering [ 70 ]
sorangan bae, soepaja ngoeninga ka andjeun.” Sabot eta keur mihatoer keneh, hol aja deui, sarta oendjoekan kijeu: „Aja seuneu ti Allah, ragrag ti langit, pek ngahoeroe ka domba Bareng ka boedjang-boedjang, dilěboer sadajana; doepi diri koering rahajoe, ngan koering sorangan bae, soepaja ngoeninga ka andjeun.” Sabot eta keur mihatoer keneh, hol aja deui, sarta oendjoekan kijeu: „Aja oerang Kasdim, make tiloe goendoek, pek pada njělémpěk ka onta-onta, seug dibawa sadajana; ari boedjang-boedjang disarabět koe seuseukeut pédang; doepi diri koering rahajoe, ngan koering sorangan bae, soepaja ngoeninga ka andjeun.” Sabot eta mihatoer keneh, hol aja deui, sarta oendjoekan kijeu: „Poetra andjeun paměgět-istri keur dalahar sarta ngaleueut anggoer; doemadakan, aja angin gede, datangna ti beh ditoeëun těgal lēga, děk naradjang kana opat djoeroe imah, toeloej roeboeh, moerangkalih teh katarindih, ladjeng poepoes sadajana.” Neut Ajoeb ngaděg, njosoëk djoebahna sarta diparas sirahna; toeloej njoeoeh kana taneuh, bari sembahijang. Ari pioendjoekna: „Koering ka loewar ti kandoengan indoeng satarandjang, sareng piwangsoeleun ka adjal satarandjang. Pangeran noe maparin, Pangeran noe njandak; sagala poedji ka padjěněngan Pangeran!”

3. Ari geus kitoe, hidji poë boeroeboel deui para poetra Allah, pada marěk ka pajoeneun Pangeran; seug Setan oge datang tjampoer ka eta, marěk ka pajoeneun Pangeran. Ladjeng Pangeran ka Setan marijos: „Naha maneh teu ngawaskeun abdi kami Ajoeb? Karana taja bandinganana di boemi; sarta masih pěngkoeh kana katěměnanana.” Ngawangsoel Setan teh ka Pangeran: „Koelit ganti koelit; saleresna lěbah djalma sagagadoehanana ge dibikeun ngaganti njawana. Nanging sawangsoelna, mangga andjeun njodorkeun panangan, keunakeun ka toelangna sareng ka dagingna; mo gagal tjoel ka andjeun, di pajoeneun andjeun pisan.” Ari timbalan Pangeran ka Setan: „Masing njaho, djinisna diselehkeun ka leungeun maneh; ngan njawana mah oelah dikijeu-kijeu.” Bral Setan teh ka loewar ti pajoeneun [ 71 ]
Pangeran; pek ngageboeg ka Ajoeb koe bisoel goreng, ti semět dampal sampejanana něpi ka émboen-ěmboenanana. Toeloej Ajoeb njandak hidji talawengkar, dianggo ngaoet-ngaoetan salirana, bari ngagoepěk dina lěboe. Pok geureuha Ajoeb mihatoer ka andjeunna: „Naha andjeun masih pengkoeh kana katěměnan andjeun? Geura tjoel bae ka Allah, seug poepoes!” Děmi walonanana ka dinja: „Kapan kabagdjaän koe oerang sok ditampa ti Allah, naha ari katjilakaän oelah ditampa?” Dina kasorang eta sadajana Ajoeb teu milampah dosa koe lambějna.

4. Ari sobat Ajoeb noe tiloe ngaranna nja kijeu: Elipas, Bildad djeung Sopar. Eta arangkat ti saenggon-enggonna, ngadatangan ka Ajoeb, sědja ngalilipoer ka andjeunna. Gek tjaralik dina taneuh, bareng djeung Ajoeb, lilana toedjoeh poë toedjoeh peuting, sarta taja noe misaoer ka andjeunna [ 72 ]sakětjap-kětjap atjan, sabab naringali jen kanjěrina banget katjida. Sanggeusing kitoe Ajoeb ěngah lambějna, sarta njapa poë didjoe roekeunana. Seug sobatna pada njeuseul ka andjeunna, ditěrěka geus migawe loba dosa ti batan djalma anoe loba, sabab sangsara gede ti batan sangsara djalma anoe loba. Eta sobat-sobat pada njana, nja koe djalan kitoe Allah moedoe diběběněr. Děmi Ajoeb, ari ngadangoe sobat-sobatna koerang kanjaäh djeug koerang adil, anoe matak paněrka anoe kitoe, seug katjida ngalalawananana ka sobatna. Malah ngalalawananana katjida teuing, datang ka koerang handap-asor; ari pokna: Goesti Allah koe andjeun teu měndak dosa di diri manehna. Nadjan kitoe di lěbah andjeunna aja kapěrtjajaän anoe pageuh, ari ahir-ahir koe Allah kateu-salahanana bakal diboektikeun, ari pokna kijeu: Ari kaoela teh njaho pisan, Poerah ngadjait kaoela djoeměněng, sarta andjeunna noe panganggeusan ngaděg dina lěmah. Djeung sanggeus ijeu teh koelit kaoela bejak diroeksak, seug kaoela ka loewar ti badan pinjeueungeun Allah.

5. Tidinja eta tiloe djalma areureun ngawalon ka Ajoeb, sabab Ajoeb běněr koe pangraos pribadi. Toeloej Elihoe (sobat hidji deui, noe tatjan njaoer sabab noe tiloe deui sěpoeh batan andjeunna) djadi běndoe ka Ajoeb, sabab Ajoeb ngaběněrkeun andjeun leuwih ti Allah. Ari ka noe tiloe sobat teja Elihoe djadi běndoe deui, sabab teu marěndak piwaloneun, padahal pada njalahkeun ka Ajoeb. Toeloej kijeu lahirna: „Allah sok moekakean tjeuli djalma-djalma, sarta paměpěrih adjangna koe andjeunna ditjap. Djeung deui djalma sok dilara-lara koe kanjěri dina pangheësanana, baris njingkirkeun manoesa ti kalakoean goreng, djeung baris noetoepan kaängkoehan ka djalma, kěrsa ngahalangan njawana, diloepoetkeun tina roewangan.” Ari Elihoe eureun ngalahir, toeloej Ajoeb teu ngawalon deui, eleh koe kapintěran manoesa.

6. Tidinja Pangeran ngawalon ka Ajoeb ti djěro angin riboet, kijeu walonna: „Tjangkeng maneh geura disaboek sabijasa lalaki; kami arek nanja ka maneh, seg maneh ka kami mere njaho! Di mana maneh, keur mangsa kami ngadegkeun boemi? Tjik [ 73 ]
bedjakeun, ari maneh boga pangarti. Atawa saha noe neundeun batoena djoeroe, dibarengan bentang isoek ragĕm nja sĕnggak, djeung sakabeh poetra Allah saroerak?" Ari Ajoeb teu bisa ngawangsoel ka Pangeran. Toeloej kijeu wangsoelna: „Lérés simkoering tadi njatoerkeun anoe teu kahartos koe simkoering. Koe pěrkawis eta simkoering mitjeun omong tadi, sarawoeh kadoehoeng, make taneuh sareng léboe.” Ladjeng Pangeran nimbalan ka Elipas: „Kami banget nja běndoe ka maneh djeung kana doewa sobat maneh; karana omongan maraneh anoe tadi moenggoeh kami mah hanteu běnér, lain tjara abdi kami Ajoeb. Mana ajeuna maraneh koedoe pada ngoerbankeun koerban doeroekan tina sabab diri maraneh; sarta Ajoeb, abdi kami, sina mangnědakeun maraneh, soepaja kami oelah midaměl ka maraneh noeroetkeun kaboeroengan maraneh. Djeung deui dibojongna Ajoeb teja koe Pangeran dibalikkeun keur mangsa Ajoeb mangnědakeun sobat-sobatna; malah sadajana noe asal kagoengan Ajoeb koe Pangeran diwoewoehan, dongkap ka doewa tikěl. Sarta kagoengan deui 7 poetra paměgět djeung 3 poetra istri. Mantas kitoe Ajoeb hiroep deui 140 taoen, sarta ningali poetra-poetoena, opat toeroenan. Tidinja Ajoeb poepoes, sěpoeh, toer wareg nja oemoer.



PASAL III.

TJARIJOS NABI MOESA.

§ 28. Diowokeunana Moesa sarta minggatna ti Mesir.

(2 Moesa 1, 2.)

1. Ari Joesoep geus poepoes, anak-poetoe Israil ngalobaän katjida. Geus kitoe ngaděg hidji radja anjar, njangking tanah Měsir, anoe hanteu oeningaeun ka Joesoep. Toeloej ngalahir ka rahajatna: „Satěměnna, oerang Israil teh bangsa gede nja rosa ti batan oerang. Hajoe oerang masing pintěr nja pipětaeun ka dinja, soepaja oelah tonggoj ngalobaän; bisina oepama oerang [ 74 ]
kataradjang pěrang, eta ge seug ngiloe ka noe gareuleuh ka oerang, pek merangan ka oerang, bari toeloej indit tina ijeu tanah.” Tidinja ngadjadikeun poerah njěkěl ka oerang Israil, kapala-kapala gawe; noe dipalar sina pada nganijaja ka dinja koe papantjenna; nja eta mètakeun taneuh likět sarta njijeun bata, djeung koe lantaran saroepaning pagawean dina kebon, koe sakabeh bae pagaweanana, anoe dimistikeun ka darinja kalawan kesit. Tatapi samingkin nganijaja ka dinja, samingkin ngalobaän. Tidinja Piraon miwarang ka sakabeh rahajatna: „Sakabeh anak lalaki anos didjoeroekeun koedoe paritjeun ka bangawan, ari sakabeh anak awewe hiroepan bae.”

2. Aja hidji djalma ngaran Amram, anak-poetoe Lewi, bral angkat, nikah hidji istri ngaran Jokebed, toeroenan Lewi keneh. Toeloej istri teh ngowokeun hidji poetra lalaki. Barang ningali jen poetra teh kasep, seug disoempoetkeun, meunang tiloe boelan. Ana geus teu kadoegaeun njoempoetkeun, pek dipongnjokotkeun hidji kanaga wawalinian, dilampat koe leutak djeung koe gagala; toeloej orok teh diteundeun di djero eta kanaga, geus kitoe diteundeun dina darengdeng, sisi bangawan. Ari lantjeukna awewe (noe ngaran Mirjam,) seg nangtoeng ti kadjaoehan, něgěskeun orok teh pikoemahaeun. Kalěrěsan poetra Piraon noe istri loengsoer, toeloej siram ka bangawan. Seug ningali eta kanaga di tengah darengdeng. Gantjang miwarang embanna njokot. Ana geus diboeka, ningali eta orok; sarta, doemadakan, orok teh keur nangis. Toeloej andjeunna wělaseun ka dinja, sarta misaoer: „Ijeu teh kaäsoep orok oerang Ibrani." Hol lantjeukna awewe oendjoekan ka poetra Piraon teh: Manawi terang, koering rek leumpang mangalakeun awewe noe keur orokan, kaäsoep oerang Ibrani, soepaja mangnjoesoeankeun eta orok.” Lahiran poetra Piraon ka dinja: „Geura djig!” Bral landjang teh leumpang, ngala iboe orok. Ngalahir poetra Piraon ka eta: „Ijeu orok koe njai bawa moelang, pangnjoesoeankeun; engke njai koe kami dibere koelian.” Ari geus gěde moerangkalih teh, toeloej disanggakeun ka poetra Piraon; geus kitoe koe [ 75 ]
andjeunna diangken poetra, sarta didjěněnganan Moesa, ari lahiranana: „Sabab beunang kami ngahandjatkeun tina djero tjai.” Tidinja Moesa teh diwoeroekan saniskara kapintěran oerang Mesir, djadi kawasa lahiranana sareng dadamělanana. (Lal. 7:22).

3. Geus kitoe, barang Moesa geus 40 taoen oemoerna, hidji waktoe andjeunna ka loewar ka saderek-saderekna, sarta ningalian papantjenna. Anoe matak kitoe, nja eta Moesa, ari geus ageng, koe lantaran kapěrtjajaän nampik disěboetkeun poetra koe poetra Piraon noe istri; anggoer kěrsaeun diteungteuinganan reudjeung oemat Allah, ti batan sababaraha lila ngaraos ngeunahna dosa mah (Ibr. 11: 24, 25). Beh ningali hidji djalma, oerang Měsir, keur mahala hidji djalma oerang Ibrani. Toeloej Moesa roeroet-reret; ari geus waspada, jen taja pisan djalma, pek eta oerang Měsir teh dipaehan sarta diroewang dina keusik. Ari pamikir [ 76 ]
Moesa, saderek-saderekna tangtoe ngahartieun, jen Allah ngěrsakeun maparin pitoeloeng ka darinja koe lantaran Moesa; tatapi hanteu ngahartieun. (Lal. 7:25.) Ari isoekna Moesa ka loewar deui; doemadakan, aja doewa djalma, oerang Ibrani, keur géloet. Pok ngalahir ka noe salah: „Naha maneh wět mahala ka batoer maneh?” Ari omongna: „Saha ka sampejan noe ngadjěněngkeun kapala djeung djaksa ka kaoela kabeh? Naha dek maehan kaoela deui, tjara sampejan maehan oerang Mesir teja?” Toeloej Moesa sijeuneun, ari lahirna: „Saestoena eta perkara geus kaoetara!” Ari Piraon meunang warta hal perkara kitoe, seug ngersakeun maehan ka Moesa. Tidinja Moesa kaboer, sědja tjalik di tanah Midian.

Harita Moesa teh tatjan asak djadi djoeroe-salamet bangsa Israil. Dina karaton radja Piraon Moesa teh oeninga kana moerba. Dina tégal kikisik, dina djalan ngadjaga domba, andjeunna koedoe oeninga kana ngalalajani. Moesa, sabab masih keneh ngora, djadi angkër soekmana, tatapi andjeunna koerang temah-wadina djalma noe geus sěpoeh, Hal pěrtjaja kana kawasa pribadi koedoe djadi tjangtjaja kana kawasa pribadi, sarta koedoe diganti koe pěrtjaja kana kawasaning Allah.

4. Ari geus dongkap, gek tjalik deukeut hidji soemoer. Ári panghoeloe Midian kagoengan toedjoeh poetra awewe. Geus kitoe daratang, pek narimba, ngareusian djolang-djolang, sědja nginoeman domba-domba ramana. Djěboel taroekang ngangon lalaki, pada ngadjongklokkeun eta istri-istri. Neut Moesa ngadeg, sarta noeloengan ka istri teh, bari seug dombana diinoeman. Tidinja maroelang ka Rěhoeël ramana. Pok ramana njaoer: „Koe naon maraneh noe matak tereh moelang poë ijeu?” Ari pioendjoekna: „Soemoehoen, aja hidji djalma oerang Měsir, ngaleupaskeun koering sadaja ti leungeun taroekang ngangon teja, samalah mangnimbaänkeun ka koering, bari seug domba-domba diinoeman,” Saoerna ka poetra-poetrana: „Eta ajeuna aja di mana? Naha eta djalma koe maraneh ditinggalkeun? Geura tejang, sina dahar roti.” Ari Moesa ngaroedjoekan matoeh di eta djalma, sarta dipaparin Sěpora poetrana, djadi garwana. Nja eta toeloej [ 77 ]
ngowokeun doewa poetra lalaki, noe koe Moesa dingaranan, noe hidji Gersom, noe hidji deui Eliëser.


§ 29. Moesa didjadikeun nabi.

(2 Moesa 3, 4.)

1. Ari Moesa ngangon domba Jitro měrtoewana, panghoeloe Midian teja. Hidji mangsa ngagiringkeun domba-domba ka těgal lega, dongkap ka goenoeng Horeb. Tidinja Malaikat Pangeran nembongan ka andjeunna di djěro seuneu hoeroeng, dina těngah leuweung tjoetjoek, noe ngagědoer koe seuneu, tapina taja pisan noe lěboer (¹). Barang katingal koe Pangeran, jen Moesa njimpang, sědja ngawaskeun, ladjeng koe Allah disaoer ti tengahna leuweung tjoetjoek, kijeu timbalanana: „Moesa! Moesa!” Wangsoelanana: „Noen, ieu simkoering!” Timbalanana: „Poma maneh oelah deukeut ka dijeu! Geura ngalaän taroempah tina soekoe maneh, karana ijeu enggon, anoe keur ditintjak koe maneh, nja taneuh soetji. Ijeu kami Allah karoehoen maneh, Allah Ibrahim, Allah Ishak sarta Allah Jakoeb.” Pek Moesa meungpeunan pameunteuna; karana sijeuneun nendjo ka Allah. Nimbalan deui Pangeran: „Kami geus waspada pisan di kabalangsakan oemat kami, anoe di Měsir. Ari ajeuna geura leumpang; maneh koe kami rek dipiwarang ka Piraon, soepaja oemat kami, oerang Israil, koe maneh diboedalkeun ti Měsir.”

(¹) Eta leuweung tjoetjoek djadi titiron bangsa Israil. Bangsa Israil katjida hinana, oepama Allah hanteu linggih di antarana, tatapi djadi bangsa anoe langkoeng aheng, oepama Allah linggih di antarana. Ari kitoe mah toeloej bangsa anoe hina teja djadi bangsa tjaang, di mana Allah kersa ngebrehkeun salirana koe andjeun, toeloej tèmpatna tjitjing djadi enggon soetji, di mana djalma-djalma koedoe ngalaan taroempahna.

2. Pioendjoek Moesa ka Allah: „Na saha simkoering teh, jen kedah leumpang ka Piraon, kedah ngaboedalkeun oerang Israil ti Mesir? Ari timbalanana: „Da kami teh tangtoe njarěngan ka maneh; sarta kijeu pitandaeunana ka maneh, jen maneh dipiwarang koe kami, dimana maneh geus ngaboedalkean eta

[[category:Sunda] [ 78 ]
djalma-djalma ti Měsir, seg maneh bakal ngabakti ka Allah dina jeu goenoeng.” Oendjoekan deui Moesa: „Noen, ari simkoering dongkap ka oerang Israil, sareng mitjatoer ka darinja, jen: Allah karoehoen maraneh anoe miwarang kaoela ka maraneh; saoepami ngaromong ka simkoering: Saha padjěněnganana? kědah didjawab koemaha koe simkoering teh?” Ari timbalan Allah ka Moesa: „Kami bakal djoeměněng sakoemaha kami nja bakal djoeměněng. Koedoe kijeu nja mitjatoer ka oerang Israil: Jehoewa (¹) anoe miwarang kaoela ka maraneh. Kami rek nginditkeun maraneh ti djero kabalangsakan di Měsir, ka tanah Kanaän, anoe labar-leber tji-soesoe reudjeung madoe. Tatapi kami leuwih oeninga, jen radja Mésir moal mikeun ka maraneh leumpang, sanadjan make leungeun kawasa oge. Ari kami teh bakal njodorkeun panangan kami, seug tanah Mesir rek digěboegan koe saniskara moedjidjat kami; sanggeusna kitoe maraneh koe eta bakal didjoeroeng leumpang. Sarta eta djalma-djalma koe kami rek dipaparin koernija dina panon oerang Měsir; anoe matak maraneh, samangsa leumpang, moal leumpang lengoh.”

(¹) Harita djenengan Jehoewa kijeu: „Nja kami noe djoeměněng.” Dina Kitab Soetji eta djéněngan disalin Pangeran.

3. Ngawangsoel Moesa: „Noen soemoehoen, eta teh moal përtjajaeun ka simkoering.” Ari timbalan Pangeran ka Moesa: „Eta teh naon anoe ditjěkěl koe leungeun maneh?” Wangsoelanana: „Soemoeheun iteuk”. Ari timbalanana: „Geura aloengkeun ka taneuh!” Pek dialoengkeun ka taneuh. Geus kitoe djadi oraj. Seug Moesa ngědjat, sijeun eta oraj. Timbalan Pangeran deui ka Moesa: „Pek tjekél; geus kitoe djadi iteuk deui dina pananganana. Nimbalan deui Pangeran ka Moesa: „Leungeun maneh geura asoepkeun kana harigoe maneh.” Seug Moesa ngasoepkeun pananganana kana harigoena. Toeloej dikaloewarkeun; doemadakan, pananganana keuna kasakit lepra, ngéplak saperti saldjoe. Timbalanana deui: „Leungeun maneh geura asoepkeun deui kana harigoe maneh.” Toeloej poelih [ 79 ]
deui saperti salirana. Děmi geus kitoe, saoepama hanteu pertjajaeun keneh kana tanda noe doewa teja, toeloej maneh koedoe njokot tjai bangawan, bari seg dikoetjoerkeun ka darat. Geus kitoe eta tjai pidjadieun gětih di darat.”

4. Ari pioendjoek Moesa ka Pangeran: „Noen Goesti simkoering teh lain djalma bisa ngomong, boh ti kamari, boh ti mangkoekna, boh tina mangsa andjeun ngandika ka diri abdi; saleresna simkoering teh beurat biwir, beurat letah.” Děmi timbalan Pangeran ka Moesa: „Saha teja noe ngajakeun soengoet ka manoesa, atawa saha teja noe ngadjadikeun anoe pireu, atawa noe torek, atawa noe beunta, atawa noe měrěm? Lain nja kami Pangeran? Ari ajeuna geura leumpang; kami teh tangtoe njarěngan ka biwir maneh, sarta rek ngawoeroekkeun ka maneh anoe koedoe diomongkeun.” Pioendjoekna deui: „Noen Goesti! moegi miwarang mana bae noe koe andjeun dikěrsakeun dipiwarang.” Ladjeng Pangeran djadi běndoe ka Moesa, bari nimbalan kijeu: „Naha Haroen lain doeloer maneh? Kami leuwih oeninga, jen eta teh pěrlente pisan ngomongna. Eta engke ka loewar mapagkeun maneh. Ari Haroen teh koedoe mitjatoer ka djalma-djalma ngagantian maneh, nja djadi lalambëj maneh; děmi maneh ka Haroen minangka Allah.”

Saperti përnahna Allah kana sabihji nabi, nja kitoe moedoe pernahna nabi Moesa ka Haroen. Koe Haroen bakal dipilahir anoe diilhamkeun ka andjeunna koe nabi Moesa.

5. Nimbalan deui Pangeran ka Moesa: „Maneh koedoe mopojan ka Piraon: Kijeu timbalan Pangeran: Israil teh poetra kami noe tjikal. (¹) Ari timbalan kami ka maneh: Eta poetra kami koe maneh koedoe dibere leumpang, sina ngawoela ka kami. Lamoen maneh teu daek mere eta leumpang, masing nganjabokean, anak maneh noe tjikal koe kami tangtoe dipaehkeun.” Djeung deui Pangeran nimbalan ka Haroen: „Maneh geura bral, koedoe mapagkeun Moesa ka těgal léga. Bral angkat, toeloej patěpang djeung Moesa lěbah goenoeng Allah teja; seug Moesa ditjijoem. Tidinja Moesa ladjěng angkatna saréng Haroen. [ 80 ]
Sasoempingna ngoempoelkeun sakabeh kokolot oerang Israil. Toeloej koe Haroen dibedjaän hal sadajana pangandika, noe koe Pangeran geus diandikakeun ka Moesa; sarta Moesa midaměl tanda-tanda teja di hareupeun panon djalma-djalma. Ari djalma-djalma teja pěrtjajaeun, sarta barang ngadarenge, jen Pangeran geus ngalajad ka oerang Israil, sarta geus waspaoseun dina kabalangsakanana, broek saroedjoed sarta sembahijang.

(¹) Bangsa Israil diseboetkeun poetra Allah noe tjikal, sabah di palebah bangsa-bangsa nja bangsa Israil noe pangmimitina pisan ditjandak djadi poetra Allah.


§ 30. Moesa keur di pajoeneun Piraon.

(2 Moesa 5-7.)

1. Sanggeusing kitoe Moesa djeung Haroen ngadareuheus, sarta oendjoekan ka Piraon: „Kijeu timbalan Pangeran, Allah Israil Oemat kami bere leumpang, sina pada milampah pesta ka kami di těgal lega.” Děmi lahiran Piraon: „Na saha Pangeran teh, anoe koe aing koedoe ditoeroet parentahna? Aing teu njaho ka Pangeran, malah-malah Israil koe aing moal diidinan leumpang. Naha koe naon maraneh dek ngalesotkeun eta djalma-djalma ti pagaweanana? Geura baralik ka papantjen maraneh!” Tidinja Piraon poë harita keneh miwarang ka poerah ngagawekeun djalma-djalma: „Masing beurat pagaweanana ka eta djalma-djalma, soepaja baroga lampahkeuneun, sarta oelah naranggap ka omong bohong.” Toeloej poerah ngagawekeun teja pada ka loewar, bari seug ngabedjaän ka djalma-djalma, pokna: „Aja timbalan Piraon kijeu: Aing moal maparin deui sapoe ka maraneh. Koedoe laleumpang, ngala sapoe koe maneh, ti mana bae nja pimanggiheun, tatapi pagawean maraneh moal dikoerangan.” Tidinja eta djalma-djalma paboejar, oedar-iděr di sakoeriling tanah Mesir, moeloengan djarami, baris sapoe. Ari poerah ngagawekeun teja pada ngagentak-gentak, malah pangoeroes oerang Israil, anoe dibakoekeun ka darinja koe poerah ngagawekeun Piraon teja, pada diteunggeulan, sarta diomongan kijeu: „Koe naon maraneh kamarí djeung poë ijeu [ 81 ]hanteu anggeus katangtoeau maraneh njijeun bata sapěrti kamari mangkoekna?” Tidinja pangoeroes oerang Israil ngadareuheusan, sasambat ka Piraon, ngelakkeun poerah ngagawekeun teja. Děmi timbalan radja: „Maraneh ngědoel, poegoeh ngědoel, kitoe noe matak sok ngaromong: Hajoe oerang leumpang, oerang ngoerban ka Pangeran! Ari ajeuna los laleumpang, geura digarawe, tatapi maraneh moal dibere sapoe, kitoe ge kamistian bata koedoe njanggakeun.” Toeloej pangoeroes teh ka loewar, papanggih djeung Moesa sarta djeung Haroen. Pok pada oendjoekan ka arandjeunna: „Pangeran moegi sing waspaos ka arandjeun, sareng ngaběnéran, sarehna baoe seungit koering sadaja koe arandjeun geus didjadikeun baoe bijoek ka pajoeneun Piraon, sasat njanggakeun pedang ka pananganana, pikeun mareuntjit ka koering sadaja.”

2. Ari Moesa sasambat ka Pangeran. Tidinja Pangeran nimbalan ka Moesa: „Masing nganjahokeun, maneh koe kami geus ditangtoekeun minangka Allah ka Piraon; ari Haroen, doeloer maneh, pidjadieun nabi maneh. Ari oerang Měsir bakal pada nganjahokeun, jen kami teh estoe Pangeran.” Tidinja Moesa djeung Haroen ngadareuheusan ka Piraon. Pek Haroen ngaloengkeun iteukna ka pajoeneun Piraon; seug djadi naga. Tidinja Piraon sabalikna njaoer djalma palinter sarta taroekang njampe (Jannes djeung Jambres, 2 Tim. 3:8); pek eta ge pandita-pandita Měsir pada migawe kitoe koe lantaran elmoena. Děmi iteuk-iteuk maranehanana diléglegan koe iteuk Haroen. Tatapi manah Piraon heuras, hanteu ngagoegoe ka Moesa djeung ka Haroen.

§ 31. Balahi oerang Měsir.

(2 Moesa 7-11.)

1. Tidinja Pangeran nimbalan 'ka Moesa: „Maneh isoek-isoek koedoe leumpang ka Piraon; koedoe koe maneh didagoan, pègat di sisi bangawan. Seg koedoe poepoelih ka dinja kijeu: Koering dipiwarang ka andjeun koe Pangeran, Allah oerang Ibrani; timbalanana: Oemat kami bere leumpang, sina ngabakti ka kami di těgal [ 82 ]lega.” Prak Moesa djeung Haroen pada ngalampahkeun kitoe. Reh Piraon hanteu ngagoegoe, pek Haroen ngadjoengdjoengkeun iteuk, seng neunggeul tjai anoe dina bangawan. Toeloej sakabeh tjai salin roepa, djadi gětih. Ari laoek dina bangawan paraeh, sarta bangawanna baoe. Prak pandita Mesir ge pada njijeun noe kitoe pětana koe lantaran elmoena. Noe matak manah Piraon beuki heuras; toeloej moelih ka gědongna; hal anoe kitoe ge koe andjeunna hanteu dipadoeli. Tidinja sakabeh oerang Mesir pada ngarali sakoeriling bangawan, njijar tjai inoemeun; karana geus teu kadaroegaeun ngincem tjai bangawan. Pangkitoe teh djědjeg 7 poë.

2. Sanggeus kitoe, noeroetkeun timbalan Pangeran, Haroen njodorkeun pananganana ka loehoereun tjai-tjai Mesir; tjat bantjet aroenggah, wani ngalipoetan satanah Mesir, arasoep imah djeung kamar heës, malah aroenggah kaěnggon oerang Mesir, sarta arasoep sagala pangadonan. Prak pandita-pandita ge pada njijeun noe kitoe pětana koe lantaran elmoena. Tidinja Piraon njaoer Moesa djeung Haroen; seug dilahiran kijeu: „Geura něněda ka Pangeran, eta bantjet moegi disingkirkeun; geus kitoe djalma-djalma teh koe aing tangtoe diidinan leumpang.” Geus kitoe Moesa sasambat ka Pangeran tina hal perkara bantjet. Ladjeng Pangeran midaměl těroes sapihatoer Moesa; heug eta bantjet paraeh dina sahidji poë, wani tanah teh datang ka baoe. Ana Piraon geus waspadaeun, jen aja kasenangan, seug neuaskeun manahna, hanteu ngagoegoe ka arandjeunna.

3. Sanggeus kitoe, pek Haroen njodorkeun pananganana, njěkěl iteukna; djedak neunggeul ka taneuh pělědoeg noe di boemi; seug aja rambětoek, napoek ka manoesa djeung ka sasatoan. Ari pandita-pandita ge pada njijeun kitoe koe lantaran elmoena, malar ngaloewarkeun rambětoek, tapi banten barisaeun. Pok pandita aroendjoekan ka Píraon: „Ijeu teh panangan Allah!” Tatapi manah Piraon teuas bae, hanteu ngagoegoe ka Moesa djeung ka Haroen.

4. Ladjeng Pangeran ngajakeun seungseureudan rosa [ 83 ]
katjida, asoep ka gědong Piraon, sarta aja di sakoeriling tanah Měsir, tatapi di tanah Gosen teu aja seungseureudan teh. Geus kitoe Piraon njaoer Moesa djeung Haroen; seug dilahiran kijeu: „Geura laleumpang, ngoerban ka Allah maraneh dina tanah jeu.” Pioendjoek Moesa: „Aja timbalan Allah, koedoe ngoerban ka andjeunna di těgal léga.” Lahiran Piraon: „Eta diidinan koe aing, ngan oelah djaraoeh teuing leumpang. Geura aing pangnědakeun!” Toeloej Moesa něněda ka Pangeran, seug seungseureudan teh njingkir ti Piraon djeung ti rahajatna; teu kari hidji-hidji atjan. Tatapi Piraon sakali ijeu ge nenaskeun manahna, hanteu koengsi djalma-djalma teh diidinan leumpang.

5. Tidinja ingon-ingon oerang Mesir koe Pangeran dikeunaän pagěboeg banget katjida. Heug sakabeh ingon-ingon oerang Měsir paraeh. Toeloej Piraon ngoetoesan, doemadakan, ingon-ingon oerang Israil mah hidji ge taja noe paeh. Tatapi manah Piraon teuas bae, eta djalma-djalma hanteu diidinan leumpang.

6. Tidinja Moesa djeung Haroen top njarandak lěboe pameuleuman; toeloej ngadareuheus ka pajoeneun Piraon, pek eta lěboe koe Moesa diawoerkeun ka langit. Geus kitoe ngadjadi bareuh, kasijatna kemboeng-kemboeng, di manoesa djeung di sasatoan; datang ka pandita-pandita teja teu kadaroegaeun nangtoeng di hareupeun Moesa. Tatapi Pangeran ngaheuraskeun manah Piraon; teu ngagoegoe ka arandjeunna.

7. Toeloej Moesa ngadeuheus deui ka Piraon, sarta ngalahir kijeu: „Pangeran bade noeroenkeun hoedjan boewah rosa, katjida; noe saroepa kitoe tatjan kasorang di Měsir ti poëan diadegkeunana, tepi ka ajeuna. Sakabeh manoesa djeung sasatoan noe piajaeun di těgal, banteu diasoepkeun ka imah, dimana katinggang koe eta hoedjan boewah, tanwande paraeh.” Seug saha-saha abdi Piraon noe sijeun koe pangandika Pangeran, ngageuwat badega-badegana djeung ingon-ingonna disina moeroe-moeroe ka imah. Ari koe hoedjan boewah teh kageboeg saniskara noe di těgal, boh manoesa boh sasatoan; kitoe deui saniskara pěpělakan kěbon, sarta sakabeh kakaian leuweung parotong. [ 84 ]
Ngan di tanah Gosen, enggon oerang Israil teja, hanteu aja hoedjan boewah. Geus kitoe Piraon ngoetoesan, njaoer Moesa djeung Haroen; seug dilahiran kijeu: „Aing sakali ijeu dosa; Pangeran teh leuwih běněr, balik aing reudjeung rahajat mah daroraka. Geura pada něněda ka Pangeran, moegi dimendjeuhan geledeg Allah djeung hoedjan boewah teh; geus kitoe maraneh koe aing tangtoe diidinan leumpang.” Tidinja Moesa djol ti Piraon, ka loewar ti dajeuh. Geus kitoe nadahkeun pananganana ka Pangeran; seug geledeg djeung hoedjan boewah teh areureun, sarta hoedjan geus teu ngoetjoer ka boemi. Ari Piraon toeloej neuaskeun deui manahna.

8. Moesa djeung Haroen ngadeuheusan deui ka Piraon, oendjoekanana: „Manawi djalma-djalma hanteu dipaparin leumpang, Pangeran bade ngadatangkeun simeut ka wěwěngkeran andjeun, lobana teu kapanggih di Měsir dongkap ka ajeuna.” Geus kitoe mantri-mantri Piraon aroendjoekan ka andjeunna: „Soemangga, eta djalma-djalma idinan leumpang; naha gamparan tatjan tingali, jen Měsir pigěmpoereun?” Ngalahir Piraon: „Saha teja noe bakal leumpang?” Ari pioendjoek Moesa: „Sedja ngabantoen kolot-boedak, ngabantoen anak awewe-lalaki; laleumpang teh sědja ngabantoen domba sareng sapi koering sadaja.” Lahiran Piraon: „Oelah kitoe! djalma lalaki mah heg laleumpang.” Seug Moesa djeung Haroen didjongklokkeun ti pajoeneun Piraon. Seug Pangeran ka tanah eta ngadatangkeun angin ti wetan; ari isoekna angin teh mawa eta simeut. Ari simeut teh datangna ngabroel, moeoek ka satanah Měsir, eunteup di sakoeriling wewengkeran Měsir, rosa katjida. Estoe ngalipoetan saloewar boemi, datang ka boemi kareueukan, sarta ngahakan sakabeh pěpělakan taneuh djeung sakabeh boewah tatangkalan; taja pisan noe kari di sakoeriling tanah Měsir. Gantjang Piraon njaoer Moesa djeung Haroen; seg ngalahir kijeu: „Tjing, hampoera dosa aing ngan sakali ijeu, sarta geura pada něněda ka Pangeran, soepaja ijeu maot bae moegi-moegi disingkirkeun ti aing.” Bral Moesa ka loewar ti Piraon, toeloej něněda ka Pangeran. Seug koe Pangeran {{hws|diba|dibalikkeun)) [ 85 ]
likkeun, aja angin ti koelon, rongkah katjida, mawa eta simeut, diragragkeun ka laoet Ager. Tatapi Pangeran ngaheuraskeun hate Piraon, teu ngidinan oerang Israil leumpang.

9. Tidinja Moesa njodorkeun pananganana ka langit, seug aja poëk boeta-radjin di sakoeriling tanah Měsir, tiloe poë lilana. Hanteu, aja noe bisa nendjo batoerna djeung teu aja noe indit ti pernahna, tiloe poë lilana; děmi ka sakabeh oerang Israil mah aja tjaäng dina sakoer ěnggonna tjitjing. Tidinja Piraon njaoer Moesa; seg ngalahir kijeu: „Djig bae, heg ngabarakti ka Pangeran; ngan sapi-domba maraneh tinggalkeun; sabalikna anak-anak maraneh hade bawa leumpang.” Pioendjoek Moesa: „Nadjan ingon-ingon koering sadaja dek dibantoen leumpang, karanten ti dinja koering bade njokot pikeun koerban.” Tatapi Pangeran ngaheuraskeun manah Piraon, seng ngalabir ka Moesa: „Geura los ti aing! koedoe ngadjaga diri, oelah manggihan-manggihan deui ka hareupeun aing; karana samangsa manggihan deui ka hareupeun aing, tangtoe dipaehan.” Pioendjook Moesa: „Lěrés pangandika andjeun; simkoering moal měndakan deui ka pajoeneun andjeun”

10. Aja timbalan Pangeran ka Moesa: „Kami rek ngadatangkeun balahi hidji deui ka Piraon djeung ka Měsir; sanggeusna kitoe eta pimereëun maraneh leumpang ti dijeu. Wantji těngah peuting kami dek ka loewar, ngiděran satanah Misir. Didinja sakabeh tjikal bakal paraeh, ti tjikal Piraon těpi ka tjikalna boedak awewe, kitoe deui sakabeh tjikal sato tjotjooan. Děmi ka sakabeh oerang Israil mah moal aja andjing noe ngoesikkeun letahna, soepaja maraneh pada nganjahokeun, jen Pangeran ngabinakeun di antara Měsir djeung Israil. Di dinja sakabeh mantri-mantri bakal ngaromong: „Mangga geura ka loewar, sampejan djeung sakabeh djalma-djalma noe ngariring ka sampejan.”

Katerangan. Sabab Piraon neuaskenn manahna, seug manah Piraon diteuaskeun koe Pangeran. Piraon emboeng ngamoeljakeun Pangeran ko djalan anoet kana timbalanana, nja eta noe matak Pangeran kérsa ngamoeljakeun salirana koe andjeun koe djalan ngabinasakeun ka Piraon. [ 86 ]

§ 32. Paska. Oerang Israil boedal ti tanah Mesir.

(2 Moesa 12-15.)

1. Aja deui timbalan Pangeran ka Moesa djeung ka Haroen, kijeu: „Tanggal 10, boelan jeu, maraneh hidji-hidji koedoe njarokot anak domba sasiki, noe taja tjatjadna, hidji imah hidji anak domba. Geus kitoe eta teh koe maraneh koedoe diraksa těpi ka tanggal 14, boelan ijeu keneb; toeloej koe sadjěmoehan Israil koedoe dipareuntjit di antara sore djeung boerit. Tidinja koedoe njarokot gětihna sawareh, bari seug diterapkeun kana doewa tihang panto sarta kana tarang panto, dina sakoer imah-imah, ěnggon maraneh ngahakan eta. Koedoe dihakan peuting harita reudjeung roti teu ragian, djeung oelah aja noe dikarikeun tépi ka isoek. Ari ngahakanna maraneh koedoe kijeu: „tjangkeng maraneh koedoe disaboek, soekoe maraneh koedoe taroempahan, sarta iteuk maraneh koedoe ditjěkěl; seg dihakan kalawan roesoeh. Ari dina peuting harita kami rek oedar-iděr di satanah Mesir, maehkeun sakabeh tjikal. Geus kitoe gětih teja ka maraneh djadi tanda dina sakoer enggon maraneh aja; ana kami nendjo gětih teja, seug kami bakal ngaliwat ka maraneh, djadi di maraneh moal aja balahi matak ngaroeksakkeun, dimana kami ngagěboeg ka tanah Mesir. Geus kitoe eta poë koe maraneh pake pangingět-ngingět; koedoe ditětěpan, didjijeun pesta ka Pangeran, toeroen-toemoeroen.” Toedjoeh poë lilana maraneh koedoe ngahakan roti teu ragian; toedjoeh poë lilana di imah-imah maraneh oelah aja beunang ngahaseuman. Geus kitoe, dimana maraneh geus asoep ka tanah, anoe koe Pangeran bakal dipaparinkeun, lamoen anak maraneh ngaromong ka maraneh: Nahaon pangabakti bapa noe kitoe teh? koedoe didjawab kijeu: Eta teh koerban paska (těgesna ngaliwat) bade ka Pangeran, anoe ngaliwat ka sagala imah oerang Israil di Mesir, basa andjeunna ngageboeg ka oerang Měsir.”

2. Geus kitoe, wantji tengah peuting, seug Pangeran [ 87 ]
keun sakabeh tjikal di tanah Měsir, ti tjikal Piraon, anoe pitjalikeun dina korsina, tepi ka tjikal sakitan, anoe di imah gorowong; kitoe deui sakabeh tjikal sato tjotjoöan. Seug djadi tingdjalěrit rosa katjida di Měsir, karana taja pisan imah, anoe hanteu kapapatenan. Toeloej Piraon njaoer Moesa djeung Haroen ti peuting; seug ngalahir: „Geura bral boedal ti těngah rahajat aing, ngabakti ka Pangeran sakoemaha omongan maraneh. Nadjan domba maraneh, nadjan sapi maraneh barawa bae; heg laleumpang, sarta aing koe maraneh berkahan ongkoh.” Malah-malah oerang Měsir pada miroesa ka eta djalma-djalma, sing geuwat-geuwat; pada nitah ka loewar ti djero tanah; karana ngaromongna: „Bisi paeh kaoela sakabeh!” Djeung deui oerang Israil pada milampah sakoemaha lahiran Moesa; nja eta pada menta ti oerang Mesir barang perak djeung barang emas, kitoe deui papakean. Sarta Pangeran ka eta djalma-djalma maparin koernija dina panon oerang Mesir, datang ka pada mere sapamentana; djadi pada ngarampogan oerang Měsir. (Pikeun bajaran papantjen teja.)

3. Broel oerang Israil ngabroel; kira-kira aja 600,000 noe badarat, djalma lalaki, djaba ti baroedak. Aja deui djalma tjampoeran loba pisan noe indit, ngiloe djeung maranehanana; sarta ingon-ingon, domba reudjeung sapi mangpirang-pirang rejana.

Ari lawasna oerang Israil tjaritjing di Měsir 430 taoen. Djeung deui Moesa njandak toelang Joesoep; dibawa soepaja dikoeboer di tanah Kanaän. Ari oerang Israil ditoejoen koe Allah lain djalan Pelisti, sanadjan eta deukeut; karana timbalan Allah: „Soepaja djalma-djalma oelah handjakal, koe lantaran manggih perang, toeloej baralik deui ka Měsir.” Enjana djalma-djalma koe Allah dibelotkeun, djalan těgal lega laoet Agěr. Ari Pangeran angkat ti heulaeunana, ti beurang dina djěro hidji tihang mega; děmi ti peuting dina djěro hidji tihang seuneu, sina ladjoe beurang-peating.

4. Aja noe ngoeninga ka radja Měsir, jen eta djalma-djalma kaboer. Toeloej Piraon djeung mantri-mantrina ganti manahna [ 88 ]
ka eta djalma-djalma; pok njalaoer: Naha oerang wet milampah kitoe, ngidinan Israil leumpang, ka loewar tina koemawoela ka oerang? Geuning eta kapaidér dina tanah, kakoeroeng koe těgal lega!” Gantjang Piraon miwarang masang karetana, sarta njandak balana, ngaroedag ka darinja. Teu lila kasoesoel, keur masanggrahan di sisi laoet. Ari oerang Israil narendjo eta, toeloej sarijeuneun katjida. Pok marioendjoek ka Moesa: „Naha karah geus taja geusan koeboeran di Mesir, anoe matak koering sadaja koe andjeun dítjandak, soepaja paeh di těgal léga? Naha andjeun midaměl kitoe ka koering sadaja?” Děmi lahiran Moesa: „Montong sarijeun-sijeun; masing pada těger, sarta sing pada awas ka pitoeloeng Pangeran, anoe koe andjeunna poë jeu bakal didaměl ka maraneh. Pangeran anoe bakal mangměrangkeun maraneh, ari diri maraneh tjaritjing bae.” Seug djěngkar Malaikat Allah, anoe angkat ti heulaeun wadya-balad Israil, ngalih ka toekangeunana; kitoe deui tihang mega teja. Ari datangna kana antara wadya-balad oerang Mesir djeung wadya-balad Israil. Geus kitoe eta mega poëk ongkoh (ka těbeh oerang Měsir), sarta njaängan kana peuting ongkoh (ka ěbeh Israil), anoe matak hanteu deukeut noe hidji ka noe hidji deui, sapeuting djepoet.

5. Pek Moesa noeroetkeun timbalan Allah njodorkeun pananganana ka loehoereun laoet; seug laoet teh koe Pangeran disina mijak, koe lantaran angin gěde ti wetan, sapeuting djěpoet; djadi laoet teh disina saät, tjaina dibeulah. Toeloej oerang Israil arasoep, něroes laoet, njorang noe toehoer; ari tjai teh ka maranehanana minangka tembok kentja-katoehoeëunana. Ari Pangeran ngaheuraskeun hate oerang Měsir; heug arasoep, njoesoel ka oerang Israil; sakabeh koeda Piraon, karetana (600) djeung noe taroempakna arasoep ka tengah laoet. Děmi geus kitoe, waktoe ronda soeboeh, Pangeran ningali ka wadya-balad oerang Mesir, ti djero tihang seuneu djeung mega teja, sarta ngagoedjroedkeun wadya-balad oerang Mesir. Pok ngaromong: „Hajoe oerang kaboer, [ 89 ]
ngadjaoehan Israil; karana koe Pangeran dipangměrangkeun ka oerang Mĕsir.” Ladjeng Pangeran nimbalan ka Moesa: „Maneh geura njodorkeun deui leungeun maneh ka loehoereun laoet.” Pek Moesa njodorkeun pananganana ka loehoereun laoet. Heug wantji rek isoek laoet teh datang deui, roep ngalipoetan ka sabalad Piraon kabeh; taja noe kari hidji-hidji atjan. Djadi Israil dina poë harita koe Pangeran disalamětkeun ti leungeun oerang Misir. Mangsa eta Moesa djeung oerang Israil nganjanjikeun ijeu poepoedjian ka Pangeran: „Koering sědja njanji ka Pangeran, karana leuwih poendjoel.... Pangeran teh pradjoerit. Kareta Piraon reudjeung baladna koe andjeunna dikoentjloengkeun ka laoet.... Bangsa-bangsa ngadarenge bedja, seug ngadaregdeg; príboemi tanah Pelisti pada kataradjang goemětěr. Didinja gegědoeg Edom pada soeměblak; menak Moab pada kataradjang ngalalépér; sadajana priboemi Kanaän aladjoer....” Tidinja Mirjam, noe djadi nabi istri, saderek Haroen teja, njandak těrěbang, ditjěkěl koe pananganana, seug sadajana istri ka loewar ngiring Mirjam; pada něrěbang sarta ngarigel. Pok Mirjam nempas ka noe tadi: „Geura njaranji ka Pangeran, karana leuwih poendjoel; koeda djeung noe toempakna koe andjeunna digebroeskeun ka laoet.”


§ 33. Oerang Israil arangkat ka goenoeng Sinai.

(2 Moesa 15—17.)

1. Geus kitoe Moesa nginditkeun Israil ti laoet Agěr. Ari loemakoena dina těgal lega meunang tiloe poë, sarta teu maranggih tjai. Toeloej daratang ka Mara, tapi teu kadaroegaeun nginoem tjai noe di Mara, karana pait. Seug djalma-djalma tinggělěnděng ka Moesa. Tidinja Moesa sasambat ka Pangeran; seug koe Pangeran ditoedoehan hidji kai, nja eta koe Moesa diantjlomkeun kana tjai, toeloej tjai teh amis. Toeloej oerang Israil arasoep ka těgal lěga Sin. Di dinja sapakoempoelan oerang Israil tinggělěnděng deui ka Moesa djeung Haroen, kijeu aromonganana: „Éh, taloenganan koering bareto paraeh di tanah Měsir koe [ 90 ]panangan Pangeran, mangsa koering sok ngarijoeng daloeng dieusi laoek, mangsa koering sok ngahakan roti datang ka seubeuh! Karana noe matak koering sadaja koe arandjeun diboedalkeun ka ijen těgal léga teh, dek maehkeun jeu sakoempoelan kabeh oe langlajeuseun.” Ladjeng Pangeran ngandika ka Moesa: „Kami geus ngadangoe gegěléndeng oerang Israil. Maneh geura mitjatoer ka darinja, kijeu nja pok: Antara sore djeung boerit maraneh bakal ngahakan laoek, sarta wantji isoek maraneh bakal dipiseubeuhan roti; djeung maraneh bakal nganjarahokeun, jen kami teh estoe Pangeran, Allah maraneh.” Ari geus kitoe, wautji sore seg moeroeboel poejoeh, wani nakleuk pasanggrahan.

2. Sarta wantji isoek aja tji-iboen noe ngoejoeh-ngajah sakoeriling pasanggrahan. Ana geus euweuh tji-iboen teh, doemadakan, dí saloewar tegal lega aja noe lémboet baroeleud, lemboet kawas halimoen kimpel dina taneuh; arí roepana tjara siki katoentjar, bodas, sarta rasana saperti djawadah make dimadoean. Barang katarendjo koe oerang Israil, pok ngaromong batoer pada batoer: „Man hoe?" (Naon eta?) Karana teu njarahoëun roepa kitoe. Ngalahir Moesa ka darinja: „Nja eta roti, anoe koe Pangeran dipaparinkeun ka maraneh keur pihakaneun teja. Geara pada moeloeng, hidji hidji djalma sakadar hakanna.” Prak oerang Israil milampah kitoe; pek maroeloeng, aja noe loba, aja noe saeutik. Toeloej ditaker koe gomer; ari noe geus moeloeng loba hanteu leuwih, anoe saeutik hanteu koerang; hidji-hidji djalma beunangna moeloeng sakadar hakanna. Ngalahir Moesa ka darinja Poma oelah aja noe njesakeun tepi ka isoek.” Aja sababaraha djalma noe hanteu ngagoegoe ka Moesa, seg ngarikeun sawareh tepi ka isoek. Toeloej bilatoengan sarta baoe. Geus kitoe, dina poë noe kagěněp maroeloengna roti doewa patikĕlaneun, saoerang doewa gomer. Ari lahiran Moesa: „Anoe koe maraneh dek dibeuleum, pek beuleum, sarta noe dek dikoeloeb, pek koeloeb; saleuwihna koedoe nareundeun keur maraneh, ampihkeun tepi ka isoek." Toeloej pada neundeunan tepi ka isoek, hanteu datang ka baoe, djeung hanteu bilatoengan. Ari dawoehan [ 91 ]Moesa: „Nja eta koe maraneh hakan poë jeu; karana poë sabat, kagoengan Pangeran; poëijeu koe maraneh moal kapanggih di tegal.” Aja djalma sawareh ka loewar, sědja moeloeng; tatapi hanteu manggih. Sanggeus kitoe Moesa ngadawoeh ka Haroen: „Koedoe njokot gotji hidji, sarta eusian koe man, sok teundeun ka pajoeneun Pangeran, baris diampihkeun keur toeroenan-toeroenan maraneh.”

3. Tidinja sapakoempoelan oerang Israil ngabroel deui ti těgal loga Sin, toeloej masanggrahan di Rapidim. Ari di dinja banteu aja tjai piinoemeun. Geus kitoe djalma-djalma madoean ka Moesa, ari aromongna: „Koedoe maparin tjai ka koering, soepaja ngarinoem!" Moesa sasambat ka Pangeran. Ari timbalan Pangeran ka Moesa: „Maneh geura bral ti heulaeun djalma-djalma; ari iteuk, anoe koe maneh diteunggeulkeun ka bangawan teja, koedoe koe maneh dítjökěl; kami rek ngadeg di hareupeun maneh, dina batoe karang, di Horeb. Toeloej maneh koedoe neunggeul ka eta batoe karang, seug pibidjileun tjai ti dinja, soepaja djalma-djalma ngarinoem.” Prak Moesa midaměl kitoe. Seng eta enggon koe Moesa diseboetkeun Masa djeung Moriba, tina hal padoe oerang Israil, djeung tina hal ngadodja ka Pangeran.

Djěboel Amalek, mõrangan ka Israil di Rapidim. Bral Josoewa boedal, ngalawan perang ka Amalek. Ari Moesa, Haroen djeung Hoer naraek ka poentjak pasir. Geus kitoe, satijap-tijap Moesa ngadjoengdjoengkeun pananganana, Israil noe meunang; demi satijap-tijap ngaroendajkeun pananganana, Amalek noe meunang. Ari panangan Moesa tjarangkeul; koe sabab kitoe Haroen djeung Hoer naranggeuj kana pananganana. Djalan kitoe Amalek koe Josoewa diëlehkeun.

§ 34. Toret.

(2 Moesa 19 djeung 20.)

1. Dina boelan noe katiloe ti sanggeus oerang Israil boedal ti tanah Mesir, dina poe eta arasoepna ka tegal léga Sinai. Ari masanggrahanana Israil di dinja paběněran [ 92 ]goenoeng Allah. Toeloej Moesa naek, ngadeuheusan ka Allah. Geus kitoe Pangeran ngandika ka andjeunna: „Maneh koedoe mopojan ka anak-intjoe Jakoeb, kijeu: Maraneh geus pada nendjo anoe koe kami didaměl ka oerang Měsir; ari diri maraneh koe kami ditjandak, ibarat dina djangdjang galoedra, didatangkeun ka kami. Ari ajeuna, oepama maraneh noeroet kana lahiran kami djeung saěnjana, sarta ngestoekeun pèrdjangdjian kami, seng maraneh djadi kagoengan kami, ingkar ti bangsa noe loba; karana saboemi kabeh nja anoe kami; toer maraneh ka kami pidjadieun karadjaän panghoeloe-panghoeloe, nja bangsa soetji.” (¹) Ana Moesa geus soemping deui, njaoer para kokolot djalma-djalma, bari toeloej dipopojanan eta sadajana pangandika noe tadi, anoe koe Pangeran ditimbalkeun ka andjeunna. Ngawangsoel sakabeh djalma-djalma sarta ragěm, kijeu wangsoelanana. „Sadajana noe diandikakeun koe Pangeran, koering pada sědja ngalampahkeun.”

(¹) Koe pilahir jeu diterangkeun babakoena bangsa Israil jenng babakoena Përdjangdjian heubeul. Bangsa Israil bakal djadi kagoengan Allah, ingkar ti bangsa noe loba; tégéana: Bangsa Israil djadi poetra Allah noe tjikal, nja eta bangsa anoe koe Allah dipilih pangheulana pisan, asoep kana kapoetraan Allah, ti sakabehna bangsa. Anoe djadi djadi tjikal moedoe oge djadi panghoeloe, koe tina sabab eta bangsa Israil djadi karadjaän panghoeloe, tëgĕsna poerah ngarawatan, poerah ngadjagaan djeung poerah ngoeroeskeun timbalan Allah pimangpaiteun bangsa-bangsa sadaja. Koe karaua bangsa Israil sakitoe pangujanerna, noe matak Israil teh diseboetkenn bangsa soetji; hartina jadi bangsa noe geus diingkarkeun tina bangsa anoe Joha, djeung dimoehnengkeun kana pagawean anoe soetji.

2. Timbalan Pangeran ka Moesa: „Maneh geura moelang ka eta djalma-djalma, seg koe maneh koedoe pada disoetjikeun poë jeu djeung isoekan, sarta sina njareuseuh papakeanana. Djeung sina pada sadija dina poë noe katiloe. Djeung deui djalma-djalma teh koe maneh koedoe diwatesan sakoerilingna, bari marentah kijeu: Mangka bade-hade maraneh, papatjoewan aroenggah ka goenoeng, nadjan njabak ka toengtoengna ge [ 93 ]oelah; saha-saha noe njabak ka goenoeng, tangtoe dipaehan. Bagija sato, bagija djalma moal dihiroepan.” Geus kitoe dina poè noe katiloe, wantji braj beurang, seug di loehoer goenceng aja goeloedoeg, djeung kilat, sarta mega hideung; kitoe deui sora sangkakala tarik katjida; noe matak ngagidir sakabeh djalma noe dina pasanggrahan. Toeloej djalma-djalma teh koe Moesa diboedalkeun ti pasanggrahan, dideuheuskeun ka Allah; deg narangtoeng dina handapeun goenoeng. Ari goenoeng Sinai kabehna aja haseup, tina sabab Pangeran loengsoer ka dinja di djěro seunen, djeang sagoenoengna eandeur katjida. Geus kitoe sora sangkakala teh beuki lila beuki katjida tarikna. Pok Moesa oendjoekan, ari koe Allah diwalon nganggo géntra.

3. Tidinja Allah ngandikakeun ijeu sadajana pangandika, kijeu pangandikana: [ 94 ]Kami jeu Pangeran, Allah maneh, anoe ngaloewarkeun maneh ti tanah Měsir, ti imah koemawoela,

I.

Maneh oelah boga aällahan di pajoeneun kami.

II.

Maneh oelah ngagambarkeun atawa ngaroepakeun naon bae noe aja di loehoer, di langit, atawa noe aja di handap, di boemi, kitoe deui noe aja dina tjai-tjai anoe sahandapeun boemi. Poma-poma noe kitoe koe maneh oelah disembah sarta oelah dibakti; karana kami, Pangeran, Allah maneh, nja Allah anoe goemati, anoe manggihkeun kasalahan bapa-bapa dina anak-anakna, kana toeroenan katiloe djeung kaopat, sakoer noe geuleuh ka kami; sarta midaměl kaasihan ka reboe-reboe, sakoer noe njaäh ka kami sarta ngestoekeun timbalan kami.

III.

Maneh oelah njeboet kana djěněngan Pangeran, Allah maneh, dipake teu poegoeh; karana Pangeran moal hanteu njiksa ka noe ngalala worakeun kana djěněnganana.

IV.

Masing inget kana poë sabat; eta koedoe disoetjikeun koe maneh. Koedoe baranggawe gěněp poë lilana, ngalampahkeun sakabeh pagawean maneh; ari poë noe katoedjoeh nja eta sabat Pangeran, Allah maneh; didinja maneh oelah ngalampahkeun pagawean naon naon; kitoe deui anak maneh lalaki, atawa anak maneh awewe, badega maneh lalaki, atawa badega maneh awewe, djeung deui sato-sato maneh, atawa semah anoe dina lawang maneh. Karana di djěro gěněp poë lilana Pangeran ngadaměl langit djeung boemi, Jaoet djeung sakabeh eusi-eusina, toeloej liren dina poë noe katoedjoeh; kitoe noe matak poë sabat koe Pangeran diberkahan sarta disoetjikeun.

V.

Koedoe masing hormat ka bapa sarta ka indoeng, soepaja maneh dipandjungkeun nja oemoer dina tanah, anoe dipaparinkeun ka maneh koe Pangeran, Allah maneh. [ 95 ]

VI.

Maneh oelah maehan.

VII.

Maneh oelah njaranjed.

VIII.

Maneh oelah maling.

IX.

Maneh oelah djadi saksi bohong ka batoer maneh.

X

Maneh oelah bogoh ka imah batoer maneh; maneh oelah bogoh ka pamadjikan batoer maneh, atawa ka badegana noe lalaki, atawa ka badegana noe awewe, atawa ka sapina, atawa ka kaldena, atawa kana naon bae anoe batoer maneh.

Kana jeu sapoeloeh timbalan karagoez sakabehna timbalan Allah, malah djadi padémen sakabehna hoekoem. Eta dlandikakeun koe Allah meungpeung aja guentoer djeung kilat, Geus kitoe eta koe Goestl dioekir kana doewa loh batoe, djadi pěrtelaan tětép ka oerang Israil. Dina loh ance hidji ditoelisan timbalan anoe moendoet kanjaah ka Allah sarawoeh djeung ka wakil Allah. Dina lob quoe hidji deui ditoelisan timbalan anoe moeudoet anjaah kana batoor-batoer. Nja eta anve matak koe Goesti Jesoes timbalan auoe sapocloeb teja diringkeskeun djadi doewa, kijen lahirna: Maneh koedoe njaah ka Paugeran, Allah maneh, tëroes reudjeung hate, tëroes reudjeung ujawa sartatěroes djeung akal maneh. Njaeta timbalan nos pangoentjoelna sarta noe gede. Ari noe kadoewana nja saroewa bae djeung eta, kijeu: Maneh koedoe njaah ka batoer-batoer sapürti ka diri sorangan. Ari saeusining Toret djeung Kitab para Nabi aja ka eta doewa timbalan teja maroentangna tob." (Mat. 22: 57-40)
Demi Toret teh koe Allah geus ditoeliskeun kana hate djalina, mangaa eta koe Allah didjadikeun (Roem 2: 14, 15). Eta Toret koe djalma-djalma diseboetkeun boedi-rasa." Arl teu datang dosa, teu koedoe-koedoe dipaparin Toret auoe dioekir dina loh batoe. Tatapi koe dosa sowara boedi-rasa meh teu kadenge djeung teu kaharti. Koe tina sabab eta, koe Allah dipaparin deui Toret ditoelis kana Ioh batoe, baris ngahoedangkeun bocdi-rasa teja.
Demi Toret kugoengan berkalı, sabab tjèk Kitab Soetji: Tijap-tijap manoesa noe ngalampahkeuu Toret, tangtoe hiroep koe eta (3 Moesa 18:5). Eta kagoengan oge panjapa, sabab tjék [ 96 ]
Kitab Soelji: Sing disapa noe teu netepkeun oengelua ijeu Toret, hanteu dilampalkeun (5 Mocsa 27: 26). Toret koe Allah dipaparin, soepaja djalma salamèt. Oepama djalma-djalma hanton salamèt koe eta, ota teh lain bongan Allah, bongan manoesa noo geus kalonngitan koe kawasa djadi soetji djeung bénèr reudjeung kasampoernaan. Koe tina sabab eta geus dipilabir too rasoel Paoeloes: Sakabehna djalma noe hajang koe gawe Toret, eta teh di bawah panjapa. Ari hal perkara djalma taja noe didaměl běnér di pajoeneun Allah koe Toret mab, eta geus tetela pisan (Gal 3:10, 11)
Oepama djalma djalma teu barisaeun salamet koe Toret, lautarun berkah noe didjangdji koo Allab, hog djalma-djalina koedoe salamět koe Toret lantaran panjapana. Eta diatoer kitoe koe sih-koernija Allah anoe leuwih adjaib. Ngalahir rasoel Paoeloes: Toret teh geus djadi pangasoeh orang, noengtoen ka Kristo es, soepaja perang didaměl bě aer teh lantaran tina pertjaja (Gal. 3: 24). Karana Toret teh lantarau ngabjahokeun kann dosa (Room 3: 20), djeung deui lantaran meunang kamělang kana dileupaskeunana tina panjapa djeung tina siksaäu dosa. Ari koe eta pěrkara dipětakeun aja kahajang dek uurima kasalamětan anoe dek dipaparit koe Allah.

§ 35. Diadegkeunana Pěrdjangdjian.

(2 Moesa 24.)

1. Ari eta sakabeh djalma-djalma pada waspadaeun kana goeloedoeg, djeung kana kilat, kitoe deui kana sora sangkakala sarta kana haseup goenoeng. Ana djalma-djalma geus waspadaeun, pada ngarědjat, toeloej narangtoeng ti kadjaoehan. Sarta pada oendjoekan ka Moesa: Moegi andjeun bae ngalahir ka koering, eta koering pada sědja ngoepingkeun; ari Allah mah moegi oelah ngandika koe andjean ka koering, bisi koering paeh!” (¹) Ari djalma-djalma narangtoeng bae ti kadjaoehan; děmi Moesa mah ngadeuheusan ka noe angkeub, anggon Allah linggih. Tidinja Mocsa ditimbalan: „Koedoe oenggah ka Pangeran, maneh djeung Haroen, Nadab djeung Abihoe (poetra Haroen), sarta kokolot Israil, 70 djalma; seg koedoe saroedjoed ti kadjaoekan. Toeloej Moesa koedoe ngadeuheus ka Pangeran, sorangan bae.” Ari isoek-isoek Moesa dangdan, prak ngadaměl altar [ 97 ]handapeun goenoeng, sarta 12 tihang, noeroetkeun noe 12 kaom Israil. Geus kitoe andjeunna miwarang djalma baroedjang (nja eta anak tjikal) oerang Israil,²) sina ngoerbankeun koerban doorockan, djeung mareuntjit koerban panarima bade ka Pangeran. Tidinja Moesa njandak getihna saparo, diwadahan koe bokor; ari getih noe saparo deui koe andjeunna dikepretkeun kana altar. Sanggeus kitoe njandak kitab pěrdjangdjian, oenina sadajana timbalan Allah, anoe ditimbalkeun něpi ka waktoe harita, seng diaos, soepaja kadenge koe eta djalma-djalma. Pok eta ngaromong: „Sadajana noe diandikakeun koe Pangeran, kooring pada sedja ngalampahkeun, sarčng sědja ngagoegoe.” Pek Moesa njandak götih teja, seug dikepretkeun ka eta djalma djalma, bari ngalahir: „Tah, ijeu teh gětih pěrdjangdjian, anoe kenging Pangeran ngadaměl ka maranelı, hal sakabeb pangandika noe tadi teja.”

(¹) Bénérna mah sabangsa Israil menuang pangnjaoer djali paughouloo. Tatapi bangsa teh ngarasa, jen tatjau anak kana pangkat kitoe. Koe tiua sabab eta oerang Israil moedoe make kench djalma anoe kuwas lawaug autara nurauehanana djenug Allah, Nja eta auoe matak di lebah oerang Israil kontoe araja noe Djarükül pangkat panghoelos. Ti wates aja perdjaugdjian aujar, sakoer ance pertjaju ka Kristoes djadi panghoeloe; eta koe diri so gan daraekeun ngadenheus ka Paugeran, njanggakeun paučdana djeung pamoedji-socknerna.
(²) Demi Haroen kadoewa anakna tatjan ditahbiskenu djadi panghoeloe, nja eta auoe matak anak tjikal oerang Israil kosdoo keneh manghuelucan tjara baheula.

2. Geus kitoe Moesa naek, diiring koe Haroen, Nadab djeung Abihoe, sarta koe 70 kokolot Israil. Beh pada ningali Allah Israil; ari ti handapeun dampalna lir sipat oebin nilěm, sarta saperti roepa langit, herang ngalenggang. Tatapi andjeunna hanteu njodorkeun pananganana ka oerang Israil noe kapilih teja, sačnjana pada dahar-leueut sanggeusna naringali ka Allah. Tidinja Pangeran nimbalan ka Moesa: „Maneh geura oenggah ka kami, ka loehoer goenoeng, seg koedoe aja di dijeu; engke maneh koe kami dipaparin papan batoe, sarta papakon djeung [ 98 ]timbalan, beunang kami noeliskeun, soepaja diwoeroekkeun ka djalma-djalma.” Prak Moesa dangdan djeung Josoea gandekna; seug Moesa naek ka goenooug Allah. Ari dawoehan Moesa ka para kokolot teja: ,Dagoan bae di dijeu, tepi ka kami djeung gandek daratang deui ka maraneh.” Toeloej Moesa naek ka goenoeng, seug goenoeng teh kalipoetan koe mega teja. Ari kamoeljaän Pangeran linggih di loehoer goenoeng Sinai, katendjona koe panon oerang Israil kawas seuneu noe ngalěboer. Seug Moesa asoep ka djěro mega, ajana di gocnoeng 40 poë 40 peuting lilana. Ana parantos Pangeran ngandika ka Moesa, andjeunna ka Moesa maparin doewa papan pertelažn, papan batoe, ditoelisan koe panangan Allah.

§ 36. Sasapian ěmas.

(2 Moesa 32—34.)

1. Ari djalma-djalma geus pada těrangeun, jen Moesa teh lila loengsoerna ti goenoeng, toelooj djalma-djalma karoempoel. ka Haroen, sarta aroendjoekan kijeu ka andjeunna: „Mangga koering geura pangdamělkeun batara, baris angkat ti heulaeun koering; karana moenggoeh eta Moesa, djalma noe nginditkeun koering ti tanah Měsir teja, doeka kataradjang naon.” Saoer Haroen ka darinja: „Geura pada ngabětotan anting-anting emas anoe dina tjeuli pamadjikan-pamadjikan sarta anak maraneh, toeloej bawa ka kami.” Pek eta sakabeh djalma-djalma ngabětotan anting-anting emas, anoe dina tjeuli maranehanana, bari seng disanggakeun ka Haroen. Top koe Haroen ditjandak, toeloej didaměl hidji sasapian. Pok ngaromong: ,Eh Israil nja ijeu batara maneh, noe nginditkeun maneh ti tanah Měsir teh.” Barang Haroon ningali kitoe, toeloej ngadaměl hidji altar di hareupeunana, sarta Haroen ngoewarkeun, kijeu saoerna: „Isoekan bakal pesta bade ka Pangeran.” Geus braj isoek pada dangdan, prak ngoerbankeun koerban doeroekan, djeung ngahatoerkeun koerban panarima; gek djalma-djalma teh darijoek njatoe-nginoem, geus kitoe narangtoeng soekan-soekan. Tidinja Pangeran [ 99 ]ngandika ka Moeza: „Maneh geura bral toeroen; karana oemat maneh, anoe koe maneh diinditkeun ti tanah Mesir teh, lebar lampahna. Gantjang temen eta teh njalingkir tina djalan, anoe koe kami ditimbalkeun ka maranehanana. Kami geus ningali eta bangsa, satěměnna bangsa noe heuras beuheung eta teh. Ari ajeuna kami teh ingkeun bae, soepaja kami sing banget nja běndoe ka darinja; koe kami dek diléboer; toeloej maneh koe kami dek didaměl bangsa gede.” Pok Moesa noenoehoen ka pajoeneun Pangeran Allahna, kijeu panoehoenna: „Pinaoneun, Pangeran! andjeun sakitoe sangët nja běndoe ka oemat andjeun, anoe koe andjeun dika-loewarkeun ti tanah Mesir nganggo kakoewatan noe agoeng sareng panangan noe kawasa? Pinaoneun oerang Měsir ngaromong, kijeu pokna: „Pangdiboedalkeunana koe andjeunna kersa njilakakeun, dipaehkeun di pigoenoengan, dikersakeun dieuweuhkeun tina tonggong boemi? Moegi geura sirna tina kasangětan běndoe andjeun, sareng moegi geura bandjakal aja manah njilakakeun ka oemat andjeun! Moegi masing emoet ka Ibrahim, ka Ishak, sareng ka Israil, abdi-abdi andjeun! Mapan andjeun dongkap ka soempah ka darinja, njebat salira andjeun; ari pangandika andjeun ka darinja kijeu: Kami rek ngadjëngkarkeun toeroenan maraneh tjara bentang di langit; sarta sakabeh tanah ijeu, anoe koe kami geus dilahirkeun, rek dipaparinkeun ka toeroenan maraneh, masingna kamilik salalanggengna.” Ladjeng Pangeran handjakaleun koe hal katjilakaän, anoe diandikakeun bakal didaměl ka oematna teja.

2. Tidinja Moesa malik, seug loengsoer ti goenoeng, pananganana njandak noe doewa papan pertelaän teja. Ari eta papan dadamělan Allah; toelisna ge toelis Allah, dioekir dina papan. Geus kitoo, barang geus deukeut ka pasanggrahan, sarta ningali eta sasapian reudjeung noe ngarigel, seug Moesa djadi běndoe, bloek ngabeubeutkeun noe doewa papan teja ti pananganana, dipeupeuskeun di handapeun goenoeng. Pek njandak eta sasapian, seug didoeroek koe seuneu, toeloej digiling, datang ka boeboek. bari sakalian diawoerkeun kana tjai, sina diarinoem koe oerang [ 100 ]Israil. Toeloej Moesa ngadeg dina lawang pasanggrahan, bari ngalahir: „Saha-saha djalma kagoengan Pangeran, hijap ka kami!” Seug sakabeli oerang Lewi ngarijoeng ka Moesa. Lahiranana ka darinja: „Kijeu timbalan Pangeran, Allah Israil: Oenggal-oenggal djalma geura njoren pědangna; koedoe aloedar-iděr di pasanggrahan, oentang-anting ti lawang ka lawang deui; pek mareuntjit doeloer ka pada doeloer, batoer ka pada batoer, tatangga ka pada tatangga.” Prak oerang Lewi pada ngalampahkeun salahiran Moesa; poë harita djalma-djalma teh kira-kira 3000 anoe roeboeh. Démi geus kitoe, isoekna Moesa ngalahir ka djalma-djalma teh: „Maraneh migawe dosa, nja dosa gede pisan; děmi ajeuna kami dek oenggah deui ka Pangeran, malah-mandar kami djadi lantaran njijeun karapihan tina sabab dosa maraneh.” Bral Moesa ngadeuheus deui ka Pangeran. Pok oendjoekan kijeu: „Noen, eta djalma milampah dosa, nja dosa gede pisan. Doepi ajeuna, moegi-moegi dosana dihampoera bae; saoepami hanteu mah, soemangga diri koering pareuman tina kitab, anoe kenging andjeun njěrat.” Ari timbalan Pangeran ka Moesa: „Saha-saha noe boga dosa ka kami, nja eta noe koe kami dipareuman tina kitab kami.”

3. Tidinja Pangeran ngandika ka Moesa: „Kami rek miwarang hidji malaikat saheulaeun maneh, sarta rek ngadjongklokkeun oerang Kanaän. Karana diri kami moal angkat deui di tengah maneh; karana maneh bangsa noe heuras beuheung; bisi maneh koe kami dilěboer di djalan.” Barang djalma-djalma geus ngadenge eta pangandika noe sakitoe bangětna, seg pada prihatin, sarta taja pisan noe make pěrhijasanana. Tidinja Moesa njandak himah, seug dipasangkeun pikeun andjeunna di loewareun pasanggrahan, djaoeh ti pasanggrahan; sarta koe andjeunna diseboetkeun himah těpangan. Děmi geus kitoe, satijap-tijap Moesa geus lěbět kana himah, seug tihang mega teja toeroen, nangtoeng dina lawang himah; ladjeng andjeunna sasaoeran reudjeung Moesa. Ari koe sakabeh djalma katendjo, tibang mega teh keur nangtoeng dina lawang himah, [ 101 ]neut sakabeh djalma haroedang, brěk saroedjoed, hidji-hidji dina lawang himahna. Ari ngandikana Pangeran ka Moesa papajoen-pajoen, sakoemaha djalma sasaoeran ka batoerna. Toeloej Moesa oendjoekan ka Pangeran: „Noen, ari timbalan andjeun tadi ka koering: Eta djalma-djalma koe maneh inditkeun; nanging andjeun ka koering hanteu maparin njaho anoe koe andjeun dipiwarang njaringan ka koering. Madak pameunteu andjeun hanteu njarěngan angkat mah, koering sadaja moegi oelah diinditkeun ti dijeu. Karantěn tina lantaran naon pikatawiseun, jen diri koering sareng oemat andjeun měndak sih-koernija dîna sotja audjeun? lain lantaran andjeun angkat njarěngan koering sađaja?” Ari timbalan Pangeran ka Moesa: „Malah ijeu pěrkara oge noe ditjatoerkeun koe maneh, koe kami rek dilampahkeun.”

4. Tidinja Pangeran nimbalan ka Moesa: „Maneh geura njijeun doewa papan batoe, tjara noe ti heula; geus kitoe kami dina eta papan rek noeliskeun sakoer pangandika, noe aja dina papan noe ti heula. Djeung koedoe oenggah ka goenoeng Sinai, marěk ka kami di dinja dina poentjak goenoeng.” Prak koe Moesa dilampahkeun, seug oenggah ka goenoeng, ajana di dinja sasarěngan Pangeran teh 40 poë 40 peuting lilana; teu ngadahar roti, teu ngaleueut tjai. Geus kitoe, mangsa Moesa loengsoer ti goenoeng Sinai, eta noe doewa papan pěrtelaän teh koe panangan Moesa ditjandak loengsoer ti goenoeng; ari Moesa teu oeningaeun, jen koelit pameunteuna montjorong asal sasaoeran djeung Pangeran. Ari Haroen djeung sakabeh oerang Israil sarijeuneun ngadeuheusan ka andjeunna. Toeloej Moesa nganggo ditjindoeng pameunteuna, seug ngalahirkeun ka oerang Israil sakoer noe geus ditimbalkeun ka andjeunna.


§ 37. Himah těpangan.
(2 Moesa 25-40.)

1. Timbalan Pangeran ka Moesa: „Koedoe njarijeun kasoetjian pikeun kami, da kami rek linggih di těngah maraneh. Sakoemaha noe koe kami rek dipintonkeun ka maneh, koedoe [ 102 ]didjijeun koe maraneh nja kitoe pisan.” Tidinja ngandika ka Moesa: „Bedjakeun koe maneh ka oerang Israil, eta koedoe pada njanggakeun hatoeran ka kami. Ti oenggal-oenggal djalma anoe soeka hatena, maraneh koedoe njokot nja kijeu: ěmas, perak, djeung tambaga; barang biroe-langit, woengoe djeung sakělat, boëh katji djeung boeloe émbe, koelit domba beunang ngabeureum, koelit doejoeng djeung kai pilang; wawangian djeung intěn.” Tidinja oerang Israil pada njanggakeun ka Pangeran pangabakti bawaning soeka; oenggal-oenggal lalaki djeung awewe anoe soeka hatena, njanggakeun baris sakabeh pagawean, anoe koe Pangeran dipiwarang didjijeun. Ari djalma-djalma teh njanggakeun loba teuing, leuwih ti noe koedoe dipake kana pagawean teja. Toeloej Moesa ngadawoeh: „Awewe-lalaki montong njijeun deui bahan, keur pihatoeraneun kasoetjian.” Djadi djalma-djalma teh dieureunkeun njanggakeunana. Tidinja Běsalel djeung Aholiab, anoe disaoer koe Pangeran sarta bari dipinoehan Roh Allah, dipaparin kapintěran, kabinangkitan djeung pangabisa, ngarti saroepaning pagawean, eta prak digawe barěng djeung sakabeh djalma noe pintěr hatena, sakoer noe kabawakeun koe hate sorangan njabak pagawean, soepaja dilampahkeun.

2. Ari koe toekang-toekang didjijeun hidji balandongan noeroetkeun tjonto, anoe ka Moesa dipintonkeun dina goenoeng. Eta balandongan palajoena 30 asta, panggěrětna 10 asta, djeung loehoerna 10 asta. Bilikna papan kai pilang, disapoet ěmas. Di loehoer sarta di loewar balandongan ditoetoep koe koelamboe sarta koe koelit. Lawangna (těbeh wetan) ditoetoep koe tetebeng noe aloes. Di djero balandongan aja reregan. Enggon antara lawang djeung eta reregan diseboet ěnggon soetji, palajoena 20 asta. Enggon noe hidji deui nja ěnggon pangsoetji-soetjina. Djeung deui balandongan aja boeroean noe 100 asta pandjangna sarta 50 asta panggěrětna. Dingdingna boeroean teh boëh katji gintiran, anoe ditěrapkeun ka tihang-tihang noe soekoena tambaga. [ 103 ]3. Koe toekang-toekang teh didjijeun pětí pěrtelaan koe kai pilang, disapoet koe ěmas. Di djěro eta aja doewa papan batoe teja, anoe kasěratan koe sapoeloeh timbalan. Ari toeroeb eta pěti koe ěmas pitoewin, sarta diseboet toeroeb pangrapih. Dina toeroeb teh didjijeun doewa moemoekarabinan ěmas, djangdjangna meber ka loehoer, bari ngijoehan koe djangdjangna kana toeroeb pangrapih. Sarta beungeutna pahareup-hareup, taroengkoel kana toeroeb pangrapih. Ari pěti pěrtelaän pěrnahna dina ĕnggon pangsoetji-soetjina. Djeung deui koe toekang-toekang didjijeun, soepaja dipěrnahkeun dina ěnggon soetji: hidji altar paragi ngoekoes seuseungitan; eta kai pilang, disapoet ěmas pitoewin; djeung hidji medja kai pilang, disapoet emas pitoewin, paranti neundeun roti tingalieun 12 siki, anoe koedoe aja di pajoeneun Pangeran salalawasna; sarta hidji adjoeg ěmas pitoewin, noe aja 6 tjabang reudjeung poehoena, sarta make 7 palita. Djeung deui, soepaja dipěrnahkeun dina boeroean, didjijeun hidji altar paranti koerban doeroekan; eta kai pilang, disapoet tambaga, pasagi sarta di tengah dieusi koe taneuh; sarta hidji paso tambaga baris koekoembah, keur para panghoeloe.

Katerangan. Děmi balandongan teh saestoe ngaranna Himah těpangan, himah pěrtelaân djeung panglinggihan. Eta diseboetkeun himah těpangan, sabab di dinja Allah kersa těpang djeung oematna. Eta disěboetkeun himah pertělaën, sabab di dinja Allah kěrsa měrtelaan sih-koernijana. Eta diseboetkeun panglinggihan, sabab di dinja Allah kěrsa linggih di antara oematna. Nandakeun balandongan teh titiron karadjaan Allah djeung kalangkang garedja Kristoes. Dina ěnggon anoe pangsoetji-soetjina Jahoewa koe andjeun linggih, ěnggon soetji djadi tempat tjitjing oemat Allah anoe djonghok ka Jahoewa. Tatapi koe doemeh oerang Jahoedi tadi mioendjoek ka Moesa: ari Allah mah moegi oelah ngandika ka koering, bisi koering paeh, lain oemat anoe dipaparin asoep ka dinja, ngan panghoeloe-panghoeloe bae. Ari tempat tjitjing oemat, nja eta boeroean. Demi koe parabot dina saěnggon-saěnggonna dioepamakeun anoe dipolah koe eta anoe ngeusian saěnggon-saěnggonna. Dina ěnggon anoe pangsoetji-soetjina linggih Allah; ari kaadilan djeung hoekoem noe djadi padëmen panglinggihanana. Koe ěnggon soetji diwoeroekkeun, [ 104 ]
ari oemat Allah noe geus dileupaskeun tina dosa-dosana djadi djalma tjaäng (adjoeg emas), djalma noe resep kana pauda (altar paragi ngoekoes seusoungitan), djeung djalma noe resep kana punggawe hade (medja parauti neundeun roti tingalieuu). Dina boeroean aja altar paranti ngadoeroek koerban. Di dinja djalma-djalma dosa dek narima dosana, dek nojangan paughampoera dosa, malah manggih panghampoera dosa teja.

4. Geus kitoe, dina boelan mimiti, dina taoen noe kadoewa, dina tanggal hidji, ti watěs oerang Israil ka loewar ti tanah Mesir, prak balandongan teh diaděgkeun. Geus kitoe mega teja ngalipoetan kana himah tépangan, sarta kamoeljaän Pangeran ngeusian eta balandongan. Ari satijap-tijap eta mega oenggah tina loehoer balandongan, broel oerang Israil arindit; kitoe bae dina sapangleumpanganana. Sabalikna, oepama eta mega hanteu oenggah mah, hanteu arindit, těpí kana mangsa oenggah.

§ 38. Hal koerban.

(3 Moesa 1-7.)

1. Tidinja Moesa koe Pangeran disaoer; geus kitoe ngandika ka andjeunna ti djero himah těpangan, tina pětana oerang Israil koedoe ngoerban, soepaja dosana dirapihkeun. Saha-saha noe dek ngahatoerkeun koerban ka Pangeran, koedoe ngahatoerkeun bangsa tjotjoöan, bangsa sapi atawa embe-domba, noe taja tjatjadna. Dihatoerkeunana koedoe ka hareupeun lawang himah těpangan. Prak koedoe noempangkeun leungeunna kana hoeloe eta koerban doeroekan, toeloej koedoe dipeuntjít. Gětihna koedoe koe panghoeloe dikepretkeun ka sakoeriling altar. Ari laoekna koedoe didoeroek, atawa sakabehna, atawa sawareh bae, ditambah koe koerban kadaharan, nja eta roti, tji-anggoer, minjak djeung doepa. Ari laoek anoe sawareh deui, noe hanteu didoeroek, koedoe didahar koe noe ngahatoerkeun koerban teja djeung koe panghoeloe, didaharna koedoe di boeroean himah těpangan.

Katerangan. Ti barang-mimiti aja dosa koe Allah teu Upaparin aja noe ngadeuheus ka andjeunna hanten djeung koerbun. Ari pěrkara dihatoerkeun koerbau ka Allah, nja eta: 1. narima dosa; 2. ngakoe aja pantes ari dipashan, sabab bajaran dosa nja eta maot (Roem [ 105 ]
0: 23); 8. anoe djadi gantina uja eta sato, kana eta dosana geus ditanggoengkeun. Oerang Israil, ari mawa pikoerbaueun, toeloej eta koe djinisna dipaehan; getih koerban toeloej ditandeau koe pangboeloe. Koe audjeunna gètih beunang nandean teja sawareh dikepretkeun kana tandoek aliar, sawareh ditoempahkeun kana soekoe altar teja. Koe djalan kitoe anoe mawa koerban diberesihkeun tins dosa, tegesna dosana dihampoera. Daging koerbau toeloej didoeroek, nandakeun ari djalma ne geus meunang hampoera dosa, moedoe ngahatoerkeun ka Allah sakabehna anggahotana djeung sakabehna kakoewatanana. Eta koerban moedoe ditambahan koe koerban kadabaran, nandakeun ari lampah soetji teh koedoe koe pitoeloeng Roh Soetji (anoe dioepamakeun koe miujak), bari aja paněda saendeng-endeng (anoe dtoepamakeun koe doepa), sarta koedoe dibarengan koe panggawe noe harade (noe dioepamakeun koe roti djeung tjiauggoer). Geus kitoe anoe mawa koerban sarawoeh djeung pangboeloe-panghoeloe koempoel, dalahar laoek koerbau, nandakeun ari djalma dosa koe Allah ditjandak deni kana katoenggalanana, koe djalan dibèněrkeun djeung disoetjikeun.
Katerangan 2. Ari saestoe-estoena mah moestahil teuing gětih sapi lalaki djeung badot matak ngeuweuhkenn dosa (Ibr. 104). Pangmoestahilna, sabab sato noe dipake koerban, moal djadi koerban koe andou soeka, djeung deui sato lain tatandingan manoesa. Nadjan kitoe mah koe Allah ongkoh ditimbalkeun kijeu (9 Moesa 17: 11); Njawana daging ajana dina gètih, sarta gétik koe kami dipaparinkeun ka maraneh dina altar, baris matak ngarapihkeun njawa maraneh; karana nja getih noe matak ngarapihkeun tina lantaran njawa. Tetapi anoe matak koerban sato aja matihna baris ngarapihkeun njawa djalma, lain koe sorangan, ngan orokaja djadi kalangkung koerban Kristoes. Kristoes dipastenkeun koe sih koernija Allah ngoerbankeun sarana koe andjeun, djadi koerban sampoerna, djeung koerban langgeng, anoe langkoeng kawasa ngarapihkeun njawa djalma sađaja, anoe geus goemèlar di doenya baheula, ance goemělar di doenya ajeuna, anoe bakal goemélar di doenya mengke.

2. Koe Pangeran dikersakeun aja opat roepa koerban. Lamoen aja djalma ngarěmpak kana timbalan Pangeran hanteu djeung hadja, koe karna salah paham, koe karana lampah djot borosot, ari geus kitoe ingět kana dosana noe geus dipilampah ka Pangeran, toeloej koe eta dihatoerkeun koerban kasalahan atawa koerban dosa, baris ngaleungitkeun kasalahan teja. Koe dosa anoe kitoe manehna geus ka loewar tina [ 106 ]katoenggalan djeung padjěmoehan Israil. Koe djalan koerban dosa manehna ditjandak deui kana katoenggalan teja. Geus kitoe koe manehna dihatoerkeun koerban doeroekan. Eta koedoe didoeroek sapisan; sanggeusna kitoe koe manehna koedoe dihatoerkeun koerban panarima. Anoe didoeroek tina koerban panarima ngan gadjihna bae. Laoekna koedoe didahar dina hadjat koerban. Ari koerban doeroekan moal dihatoorkeun ka Allah koe karana lampah dosa anoe kijeu atawa kitoe, tatapi koe karana djalma bakatna dosa, nja eta noe matak koerban anoe kitoe koedoe dihatoerkeun, kadjeun djalma boga kanjaho kana kasalahanana hanteu. Koerban panarima koedoe dihatoerkeun, sabab pamoedji soekoer ge koe Allah teu ditarima, ari teu dileungitkeun heula dosana eta djalma, anoe dek hatoer pamoedji soekoer ka Allah.

§ 39. Panghoeloe-panghoeloe.

1. Koe Pangeran dimoehoengkeun djadi kawoela dina kasoetjian sakaom Lewi, ngaganti anak tjikal sakabehna kaom Israil. Koe tina sabab eta, oenggal-oenggal tjikal koedoe dibawa kana kasoetjian, ari di dinja manehna koedoe ditěboes. Ari anoe djadi panghoeloe-panghoeloe, euweuh deui ngan Haroen sarawoch djeung toeroenan-toeroenanana. Sakoer oerang Lewi anoe lain toeroenan Haroen, djadi ahli Lewi, Ari eta bakoena koedoe ngabantoe kana panghoeloe dina djero kasoetjian, djeung deui koedoe ngabantoe kana panghoeloe-panghoeloe dina perkara ngawoeroek-ngawoeroekkeun ka oerang Israil tina hal Toret. Ka kaom Lewi koe Pangeran hanteu dipaparin milik dina tanah Kanaän. Ka eta dipaparin loeloegoena tjikal taneuhna, kitoe deui sakabehna pěrpoeloeban hasil taneub. Eta koedoe dihatoerkeun kana kabah sarta djadi rědjěki panghoeloe-panghoeloe djeung ahli Lewi. Dina tanah Kanaän kaom Lewi meunang 48 nagri; nja eta 4 nagri dina sakaom-sakaomna, djadi pienggoneunana. Anoe djadi sirah djoengdjoenan sakaom Lewi, nja eta Haroen, anoe djoeměněng Panghoeloe agoeng. Ari tjangkinganana moedoe toeroen-toemoeroen kana poetra-poetrana paměgět anoe tjikal. [ 107 ]Panganggona panghoeloe, nja eta badjoe kamis, boëhna boëh katji. Saloewareun panganggo kapanghoeloean jeu koe panghoeloe agoeng koedoe dianggo badjoena epod, woengkoel biroe langit. Saloewareun badjoena epod, aja epod, eta didjijeun ti emas, barang biroe langit, woengoe, sakčlat djeung boëh katji. Saloewareun epod, aja oto pangadilan, tina emas biroe langit, woengoe, sakělat djeung boëh. Eta koedoe ditaretes koe intěn tareteskeuneun, opat djadjar intin. Dina sadjadjar 3 batoe inten. Kana eta koedoe dioekir 12 ngaran kaom Israil. Djadi Haroen teh, satijap-tijap asoep kana enggon soetji, koedoe mawa ngaran anak Israil dina oto pangadilan, dina hatena, baris ngelingkeun ka pajoeneun Pangeran salalawasna. Kana oto pangadilan diteundeun eta Oerim djeung Toemim. Koe djalan eta parabot, panghoeloe agoeng sok meunang pitoedoeh ti Pangeran hal pěrkara anoe koedoe dilampahkeun atawa ditinggalkeun. Kana sorban panghoeloe agoeng diterapkeun hidji djamang emas pitoewin, ari dina eta geus dioekir basa anoe kijeu: „Soetji bade Pangeran.”

2. Ari geus diadegkeun himah těpangan, toeloej Haroen sarta poetra-poetrana disoetjikeun kana tjangkinganana. Děmi geus dimandian, toeloej koe Moesa dianggoan koe panganggo kapanghoeloean teja, bari dilisahan koe minjak soetji. Sanggeus kitoe Haroen ngadeukeutan kana altar pikeun ngoerban, keur dirina heula, toeloej keur sabangsa Israil. Koe Moesa ditjandak tina gětih eta koerban, seug Haroen sarta poetra-poetrana noe lalaki dikepretan leungeunna djeung tjeulina sarta soekoena. Beh kamoeljaän Pangeran nembongan ka sakabeh djalma-djalma; sarta aja Beuneu bidjil ti pajoeneun Pangeran, ngalěboer eta koerban.

Hidji waktos poetra Haroen, njo eta Nadab djeung Abihoe, pada njokot paroekoejan, hidji sewang, diseunenan, sarta seunen teh diteundeunan seuseungitan, toeloej ngahatoerkeun ka pajoeneun Pangeran eta seuneu sedjen, anoe lain ditimbalkeun koe Pangeran ka darinja. Seng aja seuneu bidjil ti pajoeneun Pangeran, ngalěboer ka eta doewaän. [ 108 ]Aja deui pangandika Pangeran ka Moesa, kijeu pangandikana: „Maneh koedoe mitjatoer ka Haroen djeung anakna lalaki, kijeunja pok: Maraneh ngaběrkahan ka oerang Israil, koedoe kijeu nja ngomong ka darinja: Pangeran moegi ngaběrkahan ka maneh sarta ngaraksa ka maneh. Pangeran moegi njaängkeun pameunteuna ka maneh sarta maparin koernija ka maneh! Pangeran moegi ningali pameunteuna ka maneh sarta maparin kasěnangan ka maneh! Djadi eta koedoe neundeun djěněngan kami ka oerang Israil; tangtoe oerang Israil koe kami diberkahan.”

§ 40. Poë pesta.

(3 Moesa 16, 23, 25; 5 Moesa 16.)

1. Nimbalan Pangeran ka Moesa: „Misti pisan maraneh ngestoekeun sabat kami; karana nja eta noe djadi tanda di antara kami djeung maraneh, toeroen-toemoeroen, soepaja kanjahoan jen kami Pangeran njoetjikeun ka maraneh. Oenggal-oenggal djalma noe ngalampahkeun pagawean dina sabat, nja eta djalma koedoe dibasmi, di leungitkeun ti těngah bangsana. Dina boelan noe katoedjoeh, dina tanggal hidji, maraneh koedoe ngaděg poë eureun, pangingět-ngingět, make sẽngek sangkakala, pakoempoelan soetji. Didinja maraneh oelah ngalampahkeun pagawean naon-naon. (Nja eta poë taoen baroe oerang Israil.) Dimana maraneh geus asoep ka tanah anoe koe kami dipaparinkeun ka maraneh, toeloej tanah teh koedoe aja sabatna, sina eureun baris ka Pangeran. Koedoe njěbaran lahan maneh gěněp taoen lilana sarta ngoem poelkeun hasilna; děmi katoedjoehna mah koe maneh koedoe dilěpaskeun ditoenda, soepaja noe mariskin bangsa maneh dadaharan nja toerijang, oeroet maneh diboewat; ari noe dikarikeun koe eta, pihakaneun sato těgal. Waktoe pesta saoeng běbětek dina taoen sabat, koedoe dipangadjikeun Toret, sing kadenge koe sarereja, lalaki, awewe djeung baroedak, kitoe deui djalma madjik, soepaja pada diadjar, sarta sarijeuneun koe Pangeran. Djeung deui maneh koedoe milang keur diri maneh toedjoeh [ 109 ]taoen sabat, djadi rejana 49 taoen. Ari dina boelan noe katoedjoeh, dina tanggal sapoeloeh, maneh koedoe ngiděrkeun sēngek sang kakala, seug koedoe njoetjikeun eta taoen noe kalima-poeloeh teh, sing djadi taoen kasoekaän. Oelah maraneh njebar djeung oelah diboewat toerijangna. Djeung lamoen maraneh ngomong: Naon pihakaneun oerang dina taoen noe katoedjoeh (49), da mapan oerang teu njëbar djeung teu ngakoetan beubeu nangan? Eta kami tangtoe miwarang berkah kami ka maraneh dina taoen noe kagěněp, sina ngajakeun hasil tiloe taoeneun. Djeung koedoe ngoewarkeun kamordikaän dina tanah keur sakabeh priboemina; didinja maraneh koedoe moelang ka samilik-milikna, djeung maraneh koedoe balik ka saäsal-asalna. Lamoen maneh meuli ti batoer, koedoe ngitoeng taoen ti sanggeus taoen kasoekaän; batoer ngadjoewal ka maneh koedoe ngitoeng taoen piboewateun. Mingkin reja taoen, mingkin tambah pameulina; sabalik na mingkin saeutik taoen, mingkin koerang pameulina; wantoe-wantoe ngadjoewalva ka maneh nja reja piboewateun.

2. „Tiloe kali di djero sataoen sakoer djalma lalaki di maneh koedoe pada ngadeuheus ka pajoeneun Pangeran, Allah maneh, di nggon anoe bakal dipilih koe andjeunna. Dina boelan noe mimiti, dina tanggal 14, antara sore djeung boerit, paska baris ka Pangeran. Ari dina tanggal 15, boelan eta keneh, pesta roti teu ragian baris ka Pangeran. Toedjoeh poë lilana maraneh koedoe ngahakan roti teu ragian. Djeung deui maraneh koedoe nganteurkeun loeloegoe piboewateun sabeungkeutan ka panghoeloe (tendjokeun § 32). Ti watěs mitěm bějan diboewat koedoe milang toedjoeh minggoe. Didinja maneh koedoe milampah pesta minggoe (pentekosta) baris ka Pangeran; koedoe ngahatoerkeun koerban kadaharan noe anjar (nja eta roti tina tarigoe noe anjar diboewat). Dina tanggal 15, boelan noe katoedjoeh, pesta saoeng běbětek, lilana toedjoeh poë, baris ka Pangeran. Sanggeus maraneh ngakoetan hasil taneuh (boewah-boewah, minjak, tji-anggoer), koedoe pada ngěnggon dina saoeng, toedjoeh poë lilana, soepaja toeroenan [ 110 ]toeroenan maraneh pada nganjahokeun, jen oerang Israil koe kami disina ngarěnggon dina saoeng-saoeng, sanggeusna koe kami dika-loewarkeun ti tanah Mesir.”

3. Aja deui pangandika Pangeran ka Moesa kijeu: „ Dina boelan noe katoedjoeh, dina tanggal 10, maraneh koedoe pada ngarěndahkeun diri maraneh. Karana dina poë eta maraneh bakal dipangnjijeunkeun kara pihan, sangkan maraneh di běrěsihan; sakabeh dosa-dosa maraneh bakal běrěsih di pajoeneun Pangeran. Dina poë eta Haroen (panghoeloe agoeng) koedoe asoep ka kasoetjian, ka hareupeun toeroeb pangrapih, anoe dina pěti teja. Koedoe ngoembah awakna koe tjai, toeloej ngahatoerkeun koerban dosa keur pimangpaäteun dirina djeung saeusi-imahna. Geus kitoe koedoe njokot doewa badot, didjogokeun ka pajoeneun Pangeran, ka hareupeun lawang himah těpangan. Seug koe Haroen eta doewa badot koedoe dilotěrekeun; ělot noe hidji pikeun Pangeran, ělot noe hidji deui adjang Asasel. Ari badot anoe katinggang lotěre pikeun Pangeran, koe doe dipeuntjit pikoerbaneun dosa, noe keur djalma loba, bari seug gětihna dibawa ka djěroëun reregan, dikepretkeun kana toeroeb pangrapih, sarta ka hareupeun toeroeb pangrapih. Sanggeus kitoe koedoe ngadeukeutkeun badot anoe hiroer teja. Prak Haroen koedoe noempangkeun leungeunna doewanana kana hoeloe eta badot noe hiroep, sarta ditoengkoelan, bari ngakoekeun sakabeh kadorakaän oerang Israil, koedoe diteundeun kana hoeloe eta badot, bari toeloej dileupaskeun ka těgal lěga, koe lantaran hidji djalma noe geus sadija. Eta badot sina nanggoeng sakabeh kadorakaänana ka tanah noe rehe; seg badot teh koedoe dileupaskeun di těgal lega.”

Katěrangan. Ari poë karapihan, nja eta baris oerang Israil tobat, sěmbahjang djeung poewasa. Dina eta poë dosa-dosawa sabangsa Israil dihampoera koe djalan ngoerbankeun ěmbe badot teja, anoe djadi koerbanna sabangsa Israil. Harita dosa teh noe geus dihampoera, toeloej dimoewat kana hoeloena. ěmbe badot anoe hidji deui. Ari geus kitoe eta digiringkeun ka Asasel (těgěsna kana Iblis) dina tegal kikisik, sangkan eta meunang njaho, ari dosa oerang Israil enggeus [ 111 ]
dihampoera, manehna teu koedoe-koedoe ngelakkeun inja; manehna geus teu boga kawasa ka maranehanana. Djaman Perdjangdjian anjar poë karapihan nja eta Djoemaät soetji. Dina poë soetji teja koe Goesti Jěsoes di koerbankeun salirana koe andjeun baris ngaleungitkeun ënja dosa-dosana bangsa manoesa. Goesti Jesoes nja eta Fanghoeloe agoeng anoe saestoe djeung koerban noe saestoe. Andjeunna teh lebětna kana kasoetjian sakali pisan lain koe gëtih badot djeung anak sapi, Istoening koe getih salira andjeunna, sarta geus ngadaměl kaleu pasan noe langgeng (Ibr. 9 : 12). Ti watės harita anoe sok ngělak keun doeloer-doeloer koela, ngělakkeunana beurang-peuting ka pajoeneun Allah, geus ditotogkeun. Doeloer-doeloer teh geus pada ngelehkeun ka dinja koe lantaran gětih Domba (Wahjoe 12 : 10, 11).

§ 41. Pikoekoeh moenggoeh kadaharan Nadar.

(3 Moesa 11 : 27–4 Moesa 6 : 30.)

1. Aja deui pangandika Pangeran ka Moesa djeung ka Haroen kijeu: „Ijeu teh sato noe meunang dihakan koe maraneh, bangsa sakabeh sasatoan noe di boemi. Sagala sato, anoe beulah tjekerna, sarta tjekerna midoewa, djeung ngagajem, nja eta noe meunang dihakan koe maraneh. Ngan anoe ēnja ngagajém, hanteu beulah tjekerna, atawa noe ēnja beulah tjekerna, hanteu ngagajěm, nja eta noe teu meunang dihakan koe maraneh. Bangsa sakabeh noe di djěro tjai, sagala noe tjetjepetan djeung sisitan, nja eta meunang dihakan koe maraneh. Sagala noe teu tjetjepetan sisitan di djero tjai, nista eta teh ka maraneh. Sarta ijeu noe koe maraneh koedoe dipikanista bangsa manoek: manoek-manoek noe sok njamběr. Sagala noe ngarajap , bangsa noe hiběr, anoe soekoe opat, nista eta teh ka maraneh. Ngan ijeu noe koe maraneh meunang dihakan bangsa noe bijeu teja, nja noe pingpingan di loehoer soekoena, baris ngatjlok di boemi. Gětih daging, naon bae, teu meunang dihakan koe maraneh; karana njawa sakabeh daging, nja eta getihna; saha-saha noe ngahakan eta, koedoe dibasmi.”

Katěrangan. Noe matak bangsa Israil koedoe ngabinakeun kadaharan, nja dioengelkeun 3 Moesa 20 : 24 , 26 : „Ijeu kami Pangeran, Allah maraneh, anoe nga binakeun maraneh ti [ 112 ]
bangsa noe loba. Ari maraneh teh koedoe ngabinakeun sato auge bérésih djeung anoc nadjis..... Djadi maraneb teb masing pada saroetji baris ka kami; karana kami Pangeran teb soetji, sarta maraueh kue kami dibinakenn ti bangsa noe loba, soepaja djadi kagoengan kami." Koe Allah dikersakeun, arl oerang Israil koedoe diingétkeun kana kamoerahau Allah, noe matak marauebanana geus dipilih 11 sakabehna baugsa-bangsa, kana pangujaoerna djeung kana kawadjibauana; moedoe oelah nadjis saperti oerang kapir, tatapí soelji sakoemaha Pangeran Allahna soetji. Tatapi ti watés karadjaan Allah dipangboekakeun keur bangsa-bangra kapir, auoe dioepamakeun koe sato haram teja, sarta bedana bangsa Israil djeung bangsa-bangsa noe sedjen geus dieuweubkeun, toeloej hoekoem hal kadabaran dieuwenauhkeua (tendjokenu Lalaup. 10; 15). ári rasoel Paveloes ngalahir: Oelah ajo noe ngahuekoeman ka maraneh dina hal kahakanan atawa inoeman.... Eta noe kiloe teb kalangkang barang noe datang mengke, ari badan djinis mah Kristoes auoe Iagoeugan (Kol. 2:16, 17).

2. Aja deui pangandika Pangeran ka Moesa, kijeu pangandikana: „Lamoen aja djalma, lalaki atawa awewe, ka loewar nadar aheng, sědja djadi nasir, ngamoehoengkeun maneh ka Pangeran: nja eta koedoe njegah ka anggoer djeung ka arak. Sapandjaug djadi nasir, saniskara noe asal ti tangkal anggoer, ti sikína tëpi ka tjangkangna, teu meunang koe eta dihakan. Sapandjang djadi nasir hoeloena teu meunang kasorang koe peso tjoekoer; těpi ka djědjeg poëna, noe koe eta dimoehoengkeun ka Pangeran, eta teh pisoetjieun; boeoekna koedoe disina mandjangan. Lamoen maneh ka loewar nadar ka Pangeran, oelah dimengke-měngke naoerna. Tatapi lamoen maneh tinggal nadar mah, hanteu matak dosa ka manch. Ari aja noe njoetjikeun baris ka Pangeran nja dirina, atawa sato, atawa lahan, eta meunang ditěboes sataksiran panghoeloe. Balikanan sakoer noe hoekoem haram baris ka Pangeran, eta teu meunang ditěboes; pasti koedue dipaehan. Saha-saha noe ngoerban ka aällahan, lain ka Pangeran woengkoel, koedoe diharamkeun. Djeung lamoen maneh koe Pangeran geus diasoepkeun kana tanah, anoe koe maneh rek diasoepan, baris dimilik, sarta andjeunna ngadjongklokkeun oerang [ 113 ]Kanaän ti hareupeun maneh, seug koe maneh koedoe pada diharamkeun; poma oelah njijeun përdjangdjian ka dinja.

§ 42. Sababaraha timbalan deui.

Ari Pangeran ngandika ka Moesa sarta maparin reja timbalan deui. Aja anoe kijeu oenina:

1. „Maneh sing pada soetji, karana kami, Pangeran, Allah maraneh teh, soetji.” (3 Moesa 19:2). 2. „Eh Israill geura dengekeun: Ari Pangeran, Allah oerang teja, nja Pangeran noenggal. Sarta maneh koedoe njaäh ka Pangeran, Allah maneh, těroes reudjeung hate, tõroes reudjeung njawa sarta téroes djeung kakoewatan maneh.” (5 Moesa 6:4, 5). 3. „Koedoe njaäh ka batoer sapěrti ka diri sorangan: ijen kami Pangeran.” (3 Moesa 19: 18). 4. Maneh oelah geuleuh ka doeloer manch di sadjero hate; koedoe ngingetan ka batoer, oelah datang ka maneh nanggoeng dosa tina hal manehanana.” (3 Moesa 19:17). 5. Lamoen maneh manggih sapi moesoeh maneh, atawa kaldena, keur sasab, geuwat koe maneb poelangkeun ka dinja. Lamoen maneh nendjo kalde djalma noe geuleuh ka maneh, ngoedoepoeng kaheumpikan koe momotna, pitjeun nijat ngadjeunkeun; misti pisan ngabantoe ka dinja ngoedaran." (2 Moesa 23 : 4, 5). 6. „Tina sabab djalma hoewisan maneh koedoe hoedang, djeung koedoe ngahormatan ka pasemon djalma kolot.” (3 Moesa 19:32). 7. „Hoekoem di maraneh koedoe masing satoenggal, bagija noe ngoembara, bagija noe asal boemi.” (3 Moesa 24: 22). 8. „Lamoen aja djalma njatjadan ka batoer: sakoemaha migawena, eta koedoe dipigawe nja kitoe deui: potong bajar potong, panon bajar panon, hoentoe bajar hoentoe.” (3 Moesa 24: 19, 20). 9. „Di maneh moal aja noe miskin (noe bermaen)” (5 Moesa 15:4). 10. „Sapi keur ngirik gandoem oelah ditjalongtjongan.” (5 Moesa 25: 4).

§ 43. Oerang Israil arangkat ti goenoeng Sinai.

(4 Moesa 10-12.)

1. Sahidji taoen lilana oerang Israil geus masanggrahan di goenoeng Sinai. Geus kitoe, dina taoen noe kadoewa ti wates [ 114 ]ka-loewarna ti Mesir, dina boelan noe kadoewa, dina tanggal 20, harita mega teja oenggah tina loehoer balandongan pertelaän. Tidinja balandongan diroewag, digotong koe toeroenan Lewi. Broel oerang Israil ngabroel ti tegal Sinai, noeloejkeun pangleumpanganana. Ari djalma tjampoeran, (§ 32, 3) auoe di tengah Israil, pada datang hawa-napsoe; heug oerang Israil ge tjareurik deui, bari ngaromong: ,Eh, saha ka oerang pimereëun njatoe laoek? Oerang teh ras ingět ka laoek tjai, anoe bareto koe oerang sok dihakan di Mesir, teu karana dibajar, djeung ka bonteng, ka samangka sarta ka bawang. Ari ajeuna mah ati oerang teh garing; euweuh naon-naon di dijeu, ngan eta Man bae noe kadeuleu.” Seug Pangeran běndoe, bangět katjida, sarta koe pangraos Moesa ge goreng. Pok Moesa oendjoekan ka Pangeran: „Koering teh teu kijat, sorangan ngais eta sadajana djalma; sabab abot teuing, teu kabantoen koe koering.” Ari timbalan Pangeran ka Moesa: „Kami pangngoempoelkeun 70 djalma kaäsoep kokolot Israil; nja eta koe maneh koedoe dibawa ka himah těpangan. Geus kitoe kami rek loengвoer, ngandika ka maneh di dinja, djeung kami rek njandak tina Roh anoe di maneh, toeloej diteundeun di eta, sina pada njoendang moewatan, ngabantoe ka maneh ngais eta djalma-djalma. Sarta maneh ka djalma loba koedoe marentah kijen: Maraneb geura njoetjikeun diri; koedoe sadija isoekan; di dinja maraneh tangtoe ngahakan laoek, moal sapoë, istoening saboelan lilana, wani maraneh datang ka bosen." Seug koe Moesa dilampahkeun kitoe. Djěboel aja angin bidjil ti Pangeran, mawa poejoeh ti laoet, diragragkeun ka pasanggrahan. Pakěpoek djalma-djalma darangdan, pek pada moeloengan poejoeh, sapoe eta djépoet. Ari eta laoek masih keneh ditjapek koe maranehanana, tatjan bejak dibakanna, ladjong Pangeran djadi běndoe ka eta djalma, sarta Pangeran ngeunakeun balahi ka eta djalma-djalma, bangět kabina-bina. Noe matak eta enggon diseboetkeun Kibrot-Taäwa; sabab nja di dinja diroewangna djalma-djalma noe datang napsoe teja.

2. Mangsa eta Mirjam djeung Haroen Djalaoer goreng [ 115 ]ka Moesa, kijeu salaoerna: „Karah Pangeran ngandika teh ngan woengkoel koe lantaran Moesa bae, lain koe lantaran kawoela doewaän ongkoh?” Děmi Moesa teja djalma sareh katjida, ngoengkoelan sakabeh manoesa noe dina tonggong boemi. Geus kitoe Pangeran oedjoeg-oedjoeg nimbalan ka Moesa, djeung ka Haroen, sarta ka Mirjam: „Maraneh tiloean geura ka loewar kana himah těpangan!” Bral tiloeanana ka loewar. Ladjeng Pangeran loengsoer dina tibang mega teja, bari njaoer Haroen djeung Mirjam. Ari timbalanana: „Darengekeun koe maraneh ijeu pangandika kami: Oepama aja nabi di maraneh, ijou kami Pangeran nganjahokeun andjeun ka dinja koe lantaran tetendjoan; kami ngandika ka dinja koe lantaran impian. Lain kitoe abdi kami Moesa; nja eta teh mitoehoe ka sagědong kami kabeh. Ka eta mah kami ngandika biwir pada biwir, sarta njata, lain lantaran omongan mělěngměng, toer awaseun dina roepa Pangeran. Naha maraneh hanteu sijeun ngaromong goreng ka abdi kami, ka Moesa?” Sarta Pangeran djadi běndoe ka eta doewaan; ladjeng angkat. Ana mega geus njingkah ti loeboereun himah, doemadakan, Mirjam keuna kasakit lepra, ngeplak sapěrti saldjoe. Toeloej Moesa sasambat ka Pangeran, piceudjoekna: „Noen Allah! moegi-moegi eta ditjageurkeun!” Děmi timbalan Pangeran ka Moesa: „Sina ditoetoep toedjoeh poë lilana di loewareun pasanggrahan; kakara meunang diasoepkeun deui.”

§ 44. Koemisi lolongok.

(4 Moesa 13, 14.)

1. Ti goenoeng Sinai oerang Israil ka tanah Kanaän. Ari geus narepi ka tegal Paran, kidoeleun tanah Kanaän teh, noeroetkeun timbalan Allah, koe Moesa dipilih 12 djalma, tina oenggal-oenggal kaom saoerang-saoerang. Eta koe Moesa dipiwarang leumpang, sina lolongok tanah Kanaän. Bral arindit, toeloej pada lolongok eta tanah. Ana daratang ka lebak Eskol, Beug ti dinja ngeureut hidji daban anggoer katoet boewahna saranggeuj; toeloej digotong koe doewaän, make rantjatan; sarta marawa [ 116 ]deui boewah dalima djeung boewah kondang. Ari geus meunang 40 poë, reres lolongok tanah; toeloej maroelang. Bral laleumpang. Ana geus darongkap ka Moesa djeung ka Ilaroen sarta ka sapadjěmoeban oerang Israil, toeloej lapor ka arandjeunna, kijeu pihatoerna: „Simkoering parantos asoep kana tanab, anoe ka simkoering dipiwarang dilolongok teja; salěrěsoa, eta teh labar-leber tji-soesoe sareng madoe, sarawoeh ijeu boewahna. Nanging djalmana, noe ngeusian eta tanah, bědas, sareng nagarana rareugreug, nja galěde langkoeng-langkoeng, malali-malah simkoering di dinja marireungeuh anak Enak, bangsa jaksa; ari diri kaoela koe tetendjoan sorangan djiga simeut, nja kitoe keneb koe tetendjoan itoe.” Tidinja Kaleb djeung Josoewa, anoe asoep koemisi lolongok, ngarepehkeun djalma noe loba, bari njalaoer kijeu: „Hajoe oerang indit, oerang beunangkeun; karana geus tangtoe koe oerang kalindih.” Tatapi djalma noe arindit djeung Kaleb sarta Josoewa mah ngaromong kijeu: „Oerang teh moal kudoega indit ngaroeroeg ka eta djalma-djalma; karana bědas alah-batan oerang.” Sarta pada ngaloewarkeun lapor palsoe hal tanah beunangna lolongok teja. Gër sapadjěmoehan raong pada dědčngekan, sarta djalma-djalma teh tjareurik sapeuting eta. Pok ngaromong: „Eh, mending oerang tadi paraeh di tanah Měsir, atawa měnding paraeh di ijeu těgal lega! Hajoe oerang njijeun hidji piloeloegoeëun, oerang baralik ka Měsir.” Ari Josoewa djeung Kaleb pada njosoëk papakeanana, bari njalaoer ka sapadjěmoeban oerang Israil, kijeu saoerna: „Eta tanah teu kira-kira aloesna. Oepama Pangeran misoeka ka oerang, tangtoe oerang koe andjeunna diasoepkeun ka eta tanah, sarta dipaparinkeun ka oerang; ari eta tanah labar-leber tji-soesoe reudjeung madoe. Ngan maraneh poma oelah ngababaan ka Pangeran, sarta oelah sarijeun koe djalma-djalma eusi tanah eta; karana eta teh sasat hakaneun oerang. Hijeumna geus njingkir ti loehoereun maran hanana, děmi oerang mah disarengan Pangeran; mana oelah sarijeun!” Pok sapadjěmoehan ngaromong, eta teh koedoe dibaledogan koe batoe. [ 117 ]2. Sěděk kamoeljaän Pangeran nembongan dina himah těpangan ka sakabeh oerang Israil. Ladjeng Pangeran nimbalan ka Moesa: Sabaraha pililaeunana eta djalma-djalma nja rek ngahihina ka kami? djeung sabaraha pililaeunana eta teh teu pěrtjajaeunana ka kami, nadjan sakitoe loba tanda, noe koe kami geus didaměl di tengahna? Koe kami rek diparaehkeun koe pagěboeg, nja dek disalingkirkeun; toeloej maneh koe kami rek didaměl bangsa, nja gěde, nja rosa ti batan eta.” Ari pioendjoek Moesa ka Pangeran: „Saoepami andjeun maehkeun jeu bangsa, sapertos ka djalma saoerang mah, tinangtos sadajana bangsa noe geus pada ngoeping warta perkawis andjeun, ngaromong kijeu pokna: Tina sabab Pangeran teu bisaeun ngasoepkeun eta bangsa ka djero tanah, noe koe andjeunna didjangdjikeun ka darinja kalawan soempah teja, noe matak seg koe andjeunna dipareuntjit di těgal lega. Moegi-moegi ngahampoera kana kasalahan ijeu bangsa, noeroetkeun kaägoenganing kaäsihan andjeun, sareng sakoemaha parantos ngahampoera ka ijeu bangsa ti Měsir dongkap ka dijeu!” Ari timbalan Pangeran: „Koe kami dihampoera téroes saomongan maneh. Parandene kitoe ge, sakabeh djalma noe geus narendjo kamoeljaän kami, kitoe deui tanda-tanda kami, anoe didaměl koe kami di Měsir djeung di těgal léga, sarta sok njoba-njoba ka kami geus sapoeloeh kali ijeu, hamo pisan narendjo kana tanah, noe koe kami didjangdjikeun ka karoehoenna kalawan soempah teja. Děmi Kaleb djeung Josoewa mah, sabab direudjeungan Roh sedjen, koe kami rek diasoepkeun kana tanah teh. Sakabeh lorisan maraneh, sarerejana, ti sěmět vemoer 20 taoen ka loehoer, hamo piasoepeun ka eta tanah; ari majitna bakal raroeboeh di ijeu tégal lega. Sarta maraneh bakal diarangon di tegal lega 40 taoen lilana, satimbang rejana poë maraneh lolongok eta tanah, sapoë sataoen sapoë sataoen. Děmi anak-anak maraneh, nja eta noe koe kami rek diasoepkeun, sarta nja eta noe bakal nganjahokeun ka eta tanah, noe dipitjeun koe maraneh.” Ari eta djalma, noe koe Moesa dipiwarang lolongok eta tanah, toeloej parseh di pajoeneun Pangeran koe lantaran [ 118 ]balahi. Děmi Josoewa djeung Kaleb mah dihariroepan. Tidinja koe Moesa sadajana pangandika noe bijeu teja dilahirkeun ka sakabeh oerang Israil. Seug djalma-djalma teh pada prihatin liwat saking. Pok pada mihatoer: „Noen, ijeu simkoering sadaja, sareng sědja arindit ka enggon anoe koe Pangeran ditimbalkeun teja; karantén simkoering pada tarima dosa.” Děmi lahiran Moesa Lampah kitoe moal loeloes. Oelah waka arindit, karana Pangeran moal di tengah maraneh.” Sanadjan kitoe, braj isoek pada dangdan, oenggah ka poentjak goenoeng. Djoet toeroen oerang Amalek djeung oerang Kanaän, noe tjaritjing dina eta pigoenoengan; pek eta oerang Israil dikaradek djeung disoentroeng-soentroengkeun.

$45. Korah djeung batoerna noe ng araman.

(4 Moesa 16, 17).

1. Hidji mangsa Korah, toeroenan Lewi, mawa Datan djeung Abiram, doewanana toeroenan Roebin; pada dek ngamoesoeh ka pajoeneun Moesa, dibatoeran koe djalma 250, oerang Israil, pada gegěden padjemoehan. Pok ngaromong ka Moesa djeung ka Haroen: Teungteuingeun teuing arandjeun teh, karana sapadjémoehan soetji sadajana; naha arandjeun mana moendjoelkeun maneb, ngaloehoeran ka pakoempoelan Pangeran?” Ngalahir Moesa ka Korah djeung sakabeh batoerna, kijeu lahirna: „Isoek-isook Pangeran tangtoe maparin njaho, anoe mans kagoenganana, sarta mana noe soetji, noe dipiwarang ngadeuheus ka andjeunna. Teungteuingan teuing maraneh, anak Lewi! Naha pagar maraneh saeutik teuing, jen maraneh koe Allah Israil dibedakeun djeung padjěmoehan Israil, dikérsakeon ngadeuheusan ka andjeunna, baris ngalampahkeun pagawean balandongan Pangeran; naha maraneh mikarep kapanghoeloean ongkoh? Koe sabab eta, maraneh pangsailon teh estoe goreng ka Pangeran; da ari Haroen mah nahaon, wet maraneh gegělěnděng ka inja?” Geus kitoe miwarangan ngala Datan djeung Abiram teja. Demi [ 119 ]aromongna: „Kaoela mah moal němonan! Karah saeutik teuing, jen andjeun nginditkeun kaoela sakabeh ti tanah noe labar-leber tji-soesoe djeung madoe, ngarah kaoela paraeh di tégal lega teh, wět andjeun njijeun maneh kapala ongkoh, hajang ngapalaän ka koela sakabeh?”

Katerangan. Korah, toeroenan Lewi, ngarah kana pangkat panghoeloe agoeng. Datau djeung Abiram, sabab toeroenau Roebin anak Jakoeb tjikal, pada ugarah kana tawasa marentahkeun përkara doenya.

2. Tidinja Moesa ngadawoeh ka Korah: „Maneh djeung sakabeh batoer maneh koedoe aja di pajoeneun Pangeran, diri maneh, djeung eta, sarta Haroen, isoekan. Djeung koedoe pada njokot paroekoejan hidji sewang, seg eusian koe seuseungitan, toeloej koedoe ngadareuheus ka pajoeneun Pangeran.” Prak pada ngalampahkeun kitoe. Neut Moesa tanghi, toeloej angkat ka Datan djeung Abiram, diiring koe para kokolot Israil. Pok ngalahir ka padjěmoehan, kijeu lahirna: „Maraneh geura njalingkir ti himah jeu djalma noe daroraka, soepaja maraneh oelah katiwasan kabawa koe sakabeh dosana!" Seug araringkah ti pangtjitjinganana, ti sakoeriling. Ngalahir deui Moesa: „Djalan kijeu maraneh pitěrangeun, jen kami teh dipiwarang koe Pangeran, ngalampahkeun sakabeh pagawean noe kitoe, lain ti ati kami: oepama eta paraeh sabijasa pach manoesa noe loba, nandakeun kami lain dipiwarang koe Pangeran. Sabalikna, oepama Pangeran ngadjadikeun noe teu oemoem, nja eta tanah njalangapkeun soengoetna, seg njaploek eta djalma djeung saboga-bogana, djoet taroeroen hiroep-hiroep ka enggon noe paeh mah, tangtoe maraneh pada nganjahokeun, jen eta djalma ngagorengkeun ka Pangeran.” Geus kitoe, barang Moesa parantos ngalahir sadajana pilahir noe bijen, heug beulah taneuh, noe ti handapeun eta djalma, seg njaploek eta djalma katoet saensi imahna, djeung sakabeh manoesa noe biloek ka Korah, sarta djeung saradjakajana. Ari sakabeh oerang Israil, anoe sakoeriling eta, laloem. patan keur eta patingdarengek. Malah ka loewar seuneu ti [ 120 ]Pangeran, ngalěboer eta djalma noe 250, anoe keur ngahatoerkeun seuseungitan teja. Ari isoekna sapadjěmoehan oerang Israil tinggělěnděng ka Moesa djeung ka Haroen, aromongna: „Andjeun geus maraehkeun oemat Pangeran!” Seug Moesa djeung Haroen pada lěbět ka hareupeun himah těpangan. Ladjeng Pangeran ngandika ka Moesa: „Maraneb geura djoeng ti tengah padjemoehan, seg koe kami eta teh dek dilěboer dina sakitjeup-mata.” Pok Moesa ngadawoeh ka Haroen: „Akang geura njandak paroekoejan, eusian seuneu tina altar, sarta teundeunan seuseungitan, toeloej angkat ka padjěmoehan, masing gantjang, pangnjijeunkeun karapihan.” Pek koe Haroen ditjandak, sakoemaha lahiran Moesa; toeloej moeroe ka těngah pakoempoelan; doemadakan, balahina geus ngamimitian prak ka djalma-djalma; sok Haroen neundeun seuseungitan, eta djalma-djalma dipangnjijeunkeun karapihan. Děg Haroen ngaděg di antara noe paraeh djeung noe hariroep; seug eta balahina kapěgat.

3. Tidinja Pangeran ngandika ka Moesa: „Koedoe menta iteuk ka oerang Israil, ti sakabeh gěgědenna, noeroetkeun ahli karoehoenna, 12 iteuk. Dina oenggal iteuk maneh koedoe noeliskeun ngaran noe boga; ari ngaran Haroen koe maneh toeliskeun dina iteuk Lewi. Sok koe maneh tareundeun di djěro himah těpangan, noe hareupeun pěrtelaän. Geus kitoe, saha-saha djalma noe koe kami dipilih, nja eta iteukna bakal kěmbangan.” Tidinja Moesa ngalahir kitoe ka oerang Israil; seug sakabeh gěgědenna pada njanggakeun iteuk ka andjeunna, toeloej koe Moesa eta sagala iteuk diteundeun ka pajoeneun Pangeran, di djěro himah pěrtelaän; doemadakan, kẽmbangan iteuk Haroen, anoe keur anak-poetoe Lewi teja; aja kěmbangan sarta pentilan, malah geus aja noe asak boewahna kanari. Tidinja koe Moesa eta sakabeh iteuk ditjandak ka loewar ka sakabeh oerang Israil; seg pada ngilikan, sarta njarokot saiteuk-saiteukna. Geus kitoe Pangeran ngandika ka Moesa: „Iteuk Haroen koe maneh asoepkeun deui ka hareupeun pěrtelaän, ampihkeun geusan tanda.” [ 121 ]

§ 46. Oerang Israil keur oedar-iděr di těgal lěga.

(4 Moesa 20, 21.)

1. Sanggeus kitoe oerang Israil pada maratoeh dina těgal kikisik, kawas sahidji bangsa noe geus dipitjeun koe Allah. Eta pada njatjampah kana sabat-sabat Pangeran, eta pada ngahibina kana hoekoem Allah sarta teu ngestokeun kana timbalan Goesti (Jěh. 20). Koerban peuntjiteun djeung koerban kadaharan koe maranehanana teu dihatoerkeun, eta anggoer ngagogotong balandongan Moloh djeung bebentangan Rempan, nja eta artja beunang maranehna njijeun pikeun sěsěmbaheun teja (Lalamp. 7 : 43; Amos 5 : 26, 27). Ari djalma noe oemoer doewa poeloeh djeung saloehoerna keur mangsa ka loewar ti tanah Měsir, eta hos paraeh dina těgal kikisik. Ari di dinja djadi toeroenan anjar, anoe hanteu njaho di tanah Měsir, ngan koe tina tjarijos sěsěpoehna. Sabalikna Pangeran mah, anoe dipitjeun koe maranehanana, andjeunna moal hanteu eling kana pěrdjangdjianana. Koe karana pěrdjangdjianana djeung koe karana anak-anakna anoe bakal daratang dina tanah anoe didjangdji teja, seug maranehanana koe Pangeran dirawatan koe man djeung diinoeman koe tjai ti djěro karang; koe Pangeran ditjěkapan sakakoeranganana, dipětakeun ari papakeanana moal dek boeroek di awakna, taroempahna moal dek boeroek di soekoena, sarta soekoena hanteu datang ka barareuh. (Tendjokeun 5 Moesa 8:3, 4; 29:5.)

2. Dina boelan noe mimiti, taoen noe kaopat-poeloeh, oerang Israil daratang deui di Kades. Toeloej Mirjam poepoes di dinja. Mangsa eta padjěmoehan teu bogaeun tjai. Toeloej karoempoel, dek goreng ka Moesa djeung ka Haroen. Bral Moesa djeung Haroen ti hareupeun pakoempoelan arangkat ka lawang himah těpangan, brěk njaroeoeh. Seug kamoeljaän Pangeran nembongan ka arandjeunna. Ladjěng Pangeran ngandika ka Moesa: „Maneh geura njokot iteuk teja, seg koempoelkeun eta padjěmoehan, nja maneh djeung Haroen, doeloer maneh; toeloej maraneh koedoe [ 122 ]ngomong ka batoe karang, sing kasaksian koe sakabehna, tangtoe ka loewar tjaina.” Tidinja Moesa djeung Haroen ngoempoelkeun eta pakoempoelan ka hareupeun batoe karang; seug dilahiran kijeu: „Eh, djalma noe pada mantangoel! geura darengekeun; koemaba kami koedoe ngabidjilkeun tjai keur maraneh ti djëro ijeu batoe karang?” Toeloej Moesa ngadjoengdjoengkeun pananganans, pek eta batoe karang diteunggeul koe iteukna doewa kali; tjor ka loewar tjai loba pisan. Demi Pangeran nimbalan ka Moesa djeung ka Haroen: „Sapedah maraneh teu pěrtjaja ka kami, teu njoetjikeun ka kami di hareupeun panon oerang Israil, noe matak maraneh moal ngasoepkeun eta pakoempoelan kana tanah, noe koe kami dipaparinkeun ka darinja.” Nja eta teh tji Mēriba; sapedah oerang Israil pada madoean ka Pangeran.

3. Tidinja Moesa ti Kades miwarangan djalma ka radja Edom, ngoeninga kijen: „Aja pihatoer raji andjeun Israil, kijeu: Andjenn langkoeng oeninga di saniskantén kaewědan, anoe kapěndak koe kaoela sadaja di Měsir, sareng deui jen kaoels koe Pangeran pada dika-loewarkeun ti Měsir. Salěrěsna kaoela ajeuna araja di Kades, nagara toengtoeng wewengkeran andjeun. Moegi kaoela pada diidinan njorang tanah andjeun; moal njorang laban atanapi kěbon anggoer, sareng moal nginoem tjai tina soemoer. Anoe bade disaba koe kaoela djalan gede, moal njimpang ka katoehoe atanapi ka kentja, dongkap ka geus kasorang wewengkeran andjeun.” Ari djawab Edom ka Israil: „Maneh moal dibere njorang ka tanah kami, bisi kami boedal, mapag ka maneh koe pedang.” Malah Edom teh boedal, mapag ka Israil, mawa bala loba naker. Toeloej Israil njimpang ti manehanana.

Katerangan. Bangsa Edom njs toerocenan Exane, doeloer Israil. Koe sabab eta Israil hanteu didinan merangan ka dinja. Sabab koe Edom bauten dibere ujoraug tanalına, Israil koedoe ujorang djalan belot sarta pandjang, tegesna koedoe ngoerilingan satanah Edom, toeloej něpí ka tanah Kanain, wewëngkëran wetan.

4. Broel ngabroel ti Kades, toeloej oerang Israil daratang ka goenoeng Hor. Di dinja Haroen koedoe dirijoengkeun ka [ 123 ]bangsana. Noeroetkeun timbalan Allah, Haroen. djeung Elasar poetrana koe Moesa dibarawa enggah ka goenoeng. Tidinja Haroen teh koe Moesa ditjoetjoelan panganggona, bari sakalian dipakekeun ka Elasar. Seug Haroen poepoes dina poentjak goenoeng, ari sapadjěmoehan Israil pada njeungtjeurikan ka andjeunna 30 poë lilana. Broel ngabroel ti goenoeng Hor, djalan ka laoet Agěr, sědjana ngoerilingan tanah Edom. Keur di djalan djalma-djalma kareuheul ati, ngaromong goreng ka Allah djeung ka Moesa kijeu: „Naha andjeun mana nginditkeun koela sakabeh ti Měsir, mambrih paeh di těgal lěga? karana euweuh roti sarta euweuh tjai, djeung hate kaoela barosën kana kahakanan noe sakitoe gambosna.” Ladjěng Pangeran ka eta djalma-djalma ngadatangkeun oraj matih; nja eta seug ngaregel ka djalma-djalma; loba pisan djalma bangsa Israil noe datang ka paeh. Boeroeboel djalma-djalma ngadareuheus ka Moesa, sarta

[ 124 ]aroendjoekan: „Simkoering pada tarima dosa; moegi-moegi něněda ka Pangeran, ijeu oraj koe Pangeran moegi disingkahkeun ti simkoering sadaja.” Seug djalma-djalma teh koe Moesa dipangnědakeun. Nimbalan Pangeran ka Moesa: „Maneh geura njijeun hidji oörajan, toeloej pandjer dina tihang; geus kitoe saha-saha noe digegel, ana ret nendjo ka dinja, tangtoe hiroep.” Prak Moesa ngadaměl hidji oörajan tambaga, dipandjor dina tihang; geus kitoe, satijap-tijap aja djalma noe digegel oraj, ana ret měntjrong ka oörajan tambaga teja, seug hiroep.

DIka-loehoerkeunana oõrajan toja, baris djadi kalaugkang poepoesta Goesti Jesoes Kristoes dina kai-dipalang. Ngalahir Goesti: {{sp|Saperti Moesa ngaloehoorkoan oōrajan di tégal lego teja, uja tjara kitoe Poetra manoesa teh koedoe dika-loehoerkeun (Joh. 3: 14.)

5. Ari Israil geus datang ka tji Arnon, toeloej ngoetoesan ka Sihon, radja oerang Emor, mopojan kijeu: „Moegi kaoela diidinan njorang tanah andjeun; moal njimpang ka laban atawa ka kebon anggoer, moal nginoem tjai tina soemoer.” Demi Sihon teh ngoempoelkeun sabalana kabeh, heug boedal, mapag ka Israil ka těgal lega. Toeloej kasamboet koe Israil koe senseukeut pădang, sarta tanahna dibeunangkeun, ti sěmět tji Arnon tepi ka tji Jabok, bras ka oerang Amon. Sanggeus kitoe Og, radja Basan, sarawoeh balana, koe oerang Israil disarabět, sarta tanahna dibeunangkeun.

Děmi tji Arnon mah ngamoeharaan kana laost Pash, djeung tji Jabok kaua tji Jordan. Dina djaman nabi Moesa tanah anoe kaděmpet koe eta doewa wahangan katjitjingan koe radja oeraug Emor, noe agaran Sibon. Kidosleun tji Arnon pada tjaritjing oerang Moab; kalereun tji Jabok, nja eta dina tanah Basan, moerba radja Og.

§ 47. Balhoem.

(4 Moesa 22-25.)

1. Broel oerang Israil ngabroel deui, toeloej masanggrahan di tanah lapang Moab, di peuntaseun tji Jordan, palebah nagara Jeriho. Ari Balak, radja Moab, geus waspadaeun ka saniskara, noe koe Israil dilampahkeun ka oerang Emor teja, seng [ 125 ]Moab sijeuneun kabina-bina koe eta bangsa. Tidinja Balak ngoetoesan ka Balhoem, noe tjalik di Mesopotami; saoer Balak: „Mere njaho, aja hidji bangsa ka loewar ti Měsir; doemadakan, ngalipoetan saloewar tanah, sarta eta teh keur ngěnggon ti paběněran kaoela. Ari ajeuna, mangga geura tjalik, kaoela pangnjapakeun eta bangsa, karana eta teh bědas ti batan kaoela ; karana kaoela geus tėrang, saha-saha noe diběrkahan koe sampejan, tangtoe meunang běrkah, djeung saha-saha noe disapa koe sampejan, tangtoe keuna panjapa." Bral kokolot Moab djeung kokolot Midian pada mijang. Ana geus daratang ka Balhoem, seg moepoelihkeun ka dinja kasaoeran Balak teja. Ladjěng Allah ngalahir ka Balhoem: „Maneh oelah miloe djeung eta djalma; papatjoewan maneh oelah njapa ka eta bangsa, karana geus diběrkahan.” Toeloej Balhoem misaoer ka kapala-kapala Balak: „Geura maroelih bae ka tanah sampejan; karana Pangeran teu kěrsaeun ngidinan kaoela miloe sarěng sampejan.” Děmi Balak ngoetoesan deui kapala, loba sarta moelja ti batan noe tadi. Ngawangsoel Balhoem ka darinja: „Sanadjan Balak ka kaoela maparin ěmas-perak pinoeh sagědongna oge, kaoela teh moal kadoega ngarěmpak timbalan Pangeran.” Ladjěng Allah njoempingan ka Balhoem ti peuting, sarta ngalahir ka dinja: „Heg maneh indit bae djeung eta; kitoe ge pangandika, noe koe kami bakal diandikakeun ka maneh, nja eta noe koe maneh koedoe dilampahkeun.”

2. Neut Balhoem wantji isoek hoedang, seg ngadangdanan kalde bikang toetoempakanana, bari toeloej leumpang djeung eta kapala-kapala Moab. Děmi Allah djadi běndoe, doemeh Balhoem leumpang, soeka kana boeroehan kadorakaän (2 Petroes 2:15). Sarta Malaikat Pangeran ngadeg di djalan, měgatan. Beh kalde teh nendjo eta Malaikat Pangeran, keur ngaděg di djalan, sarta pananganana njěkěl pědangna beunang matěk; toeloej kalde teh njimpang ti djalan asoep ka kěbon; pek kalde koe Balhoem dipeupeuhan, diběněrkeun deui ka djalan. Tidinja Malaikat Pangeran ngaděg dina ěnggon singgět, taja djalan njimpang ka [ 126 ]katoehoe atawa ka kentja. Broek kalde děpa handapeun Balhoem, noe matak Balhoem teh djadi amběk; pek kalde teh diteunggeulan koe iteuk. Geus kitoe Pangeran moekakeun soengoet eta kalde; pok ngomong ka Balhoem: „Naon dosa koering ka djoeragan, noe matak djoeragan meupeuhan ka koering geus tiloe kali ijeu?” Ari djawab Balhoem ka kalde: ,Handjakal leungeun aing teu njěkěl pedang; geus tangtoe ajeuna sija dipeuntjit koe aing.” Seug koe Pangeran panon Balhoem disina těgěs, beh nendjo eta Malaikat Pangeran. Ngalahir Malaikat ka Balhoem teh: Masing njaho, kami pangka-loewar teh sědja mégatan, sabab ijen djalan matak tidjongklok ka hareupeun kami.” Oendjoekan Balboem: Simkoering tarima dosa; doepi ajeuna, manawi awon di pajoeneun andjeun, simkoering sědja moendoer.” Děmi lahiran Malaikat Pangeran: Djig bae djeung eta djalma-djalma; tatapi ngan woengkoel pilahir anoe koe kami bakal dilahirkeun ka maneh, nja eta noe koe maneh koedoe ditjatoerkeun.” Bral Balhoem toeloej deui leumpangna djeung kapala-kapala Balak.

3. Geus kitoe Balhoem něpi ka Balak. Děmi isoekna Balhoem koe Balak disampeur, ditjandak oenggah ka pasir Baäl, Ladjeng Pangeran neundeun pangandika dina biwir Balhoem. Seug Balhoem ngedalkeun silokana, kijeu pokna: „Na koemaha kaoela pinjapaeun, anoe hanteu disapa koe Allah? sarta koemaha kaoela ngalanat, anoe hanteu dilanat koe Pangeran? Masing njaho, eta bangsa pingénggoneun njorangan bae, moal pikaitoengeun ka bangsa kapir. Paeh kaoela masing saperti paeh noe balenér, sarta panoengtoengan kaoela masing tjara panoengtoengan eta!” Pok Balak misaoer ka Balhoem: „Naha sampejan wět milampah kitoe ka kaoela? Sampejan pangdiala teh koe kaoela soepaja njapa ka moesoeh kaoela; sihoreng koe sampejan diberkahan badis." Ngawangsoel Balhoem: „Naha karah kaoela lain koedoe ngestikeun njatoerkeun anoe koe Pangeran diteundeun dina biwir kaoela?" Saoer Balak ka Balhoem: Tjing atoeh, sampejan miloe djeung kaoela ka enggon sedjen; seg kaoela pangnjapakeun ti dinja!" Heug dibawa ka těgal Sopim, [ 127 ]nja ka poentjak Pisga. Geus kitoe Pangeran neundeun pangandika dina biwirna; seug Balhoem ngedalkeun deui silokana, kijeu pokna: nja ka poentjak Pisga. Geus kitoe Pangeran neundeun pangandika dina biwirna; seug Balhoem ngedalkeun deui silokana, kijeu pokna: „Allah teh lain djalma, moal bohong; lain anak manoesa, moal keuna kadoehveng. Karah andjeunna ngalahir, sarta moal didamel? atawa ngandika, sarta moal dijaktoskeun? Saleresna, kaoela nampa ngan berkahaneun; andjeunna noe ngaberkahan, sarta koe kaoela moal beunang ditoelak. Saestoena taja těnoeng, anoe teurak ka Jakoeb; taja pisan noedjoem, anoe měntal ka Israil. Dimana mangsana dilahirkeun ka Jakoeb, disaoerkeun ka Israil anoe didaměl koe Allah.” Pok Balak misaoer ka Balhoem: „Boh njapa, montong koe aampejan disapa; boh ngaběrkahan, montong koe sampejan diberkahan.” Ngawangsoel Balhoem: ,Mapan kaoela geus mihatoer ka andjeun kijeu: Sadajana noe koe Pangeran bakal diandikakeun, nja eta noe koe kaoela koedoe dilampahkeun.” Geus kitoe Balak misaoer ka Bathoem: „Tjing atoeh, koe kaoela rek dibawa ka enggon sedjen, malah-mandar pitěněreun di pajoeneun Allah, koe sampejan dipangojapakeun ti dinja." Seg Balhoem koe Balak dibawa ka poentjak goenoeng Peor. Barang Balhoem tjéngkat panonna, beh nendjo Israil, keur ngenggon sakaom-sakaomna; geus kitoe Balhoem dilinggihan Roh Soetji, seg kijeu saoerna: „Koe araloes himah manch, Jakoeb! pangtji-tjingan maneh, Israil! Noe ngaběrkahan ka maneh, sing diběrkahan; sarta noe njapa ka maneh, masing disapa.” Seug Balak amběkeun ka Balhoem; ari djawab Balhoem: „Soemangga, kaoela rek ngatoeranan pepeling ka andjeun, pěrkara noe koe eta bangsa bakal dilampahkeun ka rahajat andjeun dina djaman mengke: Méngke hidji bentang ngalanto ti Jakoeb, sarta hidji tětěkěn pingadēgeun ti Israil; nja eta tangtoe ngarémoekkeun beulah-beulah Moab, sarta ngaroeksakkeun sakabeh anak karoesoehan; djadi Israil migawe kawasa. Ari ti Jakoeb saoerang noe pimoerbaeun.” Geus kitoe Balhoem dangdan, bral leumpang, moelang ka šnggonna. Balak pon kitoe keneh noeloejkeun djalanna.

4. Ari Balhoem djengkeleun, da teu bisa njapa ka oerang [ 128 ]Israil. Koe sabab kitoe, oerang Moab djeung oerang Midian koe Balhoem dibere bongbolong anoe kijeu: oerang Israil koedoe diarondang kana koerban batara-batarana. Toeloej oerang Israil dadaharan sarta njarěmbah ka batara-batarana. Seug Pangeran djadi běndoe ka Israil, sarta nimbalan ka Moesa, sakabeh loeloegoe bangsa koedoe digarantoengkeun, soepaja lempěr běndoe Pangeran. Koe Moesa dilampahkeun kitoe. Sanggeus kitoe Israil měrangan ka Midian djeung Moab, pikeun malesan panggoda teja. Ari Balhoem aja di palebah anoe diparaehan koe pedang.

§ 18. Panoengtoengan Moesa.

(4 Moesa 26-32; 5 Moesa 1-34.)

1. Ari oerang Roebin sarta oerang Gad djeung satengah kaom Měnase loba ingon-ingonna, rosa katjida. Eta ngadareuheusan ka Moesa, njoehoenkeun tanah Gilad djeung tanah Basan, baris milik, sabab eta tanah estoe tanah ingon-ingon. Děmi lahiran Moesa ka darinja: „Karah doeloer-doeloer maraneh bakal laleumpang perang, ari diri maraneh mah dek tjaritjing di dijeu?” Sor mararékna ka Moesa, sarta aroendjoekan kijeu: ,Abdi soemědja njarijeun karapjak domba di dijeu, adjang ingon-ingon abdi, kitoe deui nagara-nagara pikeun poen anak-anak. Seug abdi teh pada soemědja sadija goesak-gasik, leumpang ti heulaeun oerang Israil; moal maloendoer ka imah abdi, ari oerang Israil tatjan ngamilik samilik-samilikna.” Toeloej eta tanah wetaneun tji Jordan koe Moesa dipaparinkeun ka kaom Roebin djeung kaom Gad djeung satengah kaom Měnase.

2. Geus kitoe dina taoen noe ka 40, dina boelan noe ka 11, dina tanggal 1, Moesa ngawoeroek ka oerang Israil, teroes sadajana noe koe Pangeran geus ditimbalkeun ka andjeunna, kijeu lahirna: Timbalan Pangeran koedoe pada diëstoekeun sarta dilampahkeun koe maraneh; karana eta teh ka maraneh tangtoe matak pintěr sarta binangkit di hareupeun panon bangsa-bangsa. Noe pimeunangeun bedja hal sakabeh pikoekoeh teja, meureun [ 129 ]ngaromong kijeu: „Ijeu bangsa, noe sakitoe gede teh, estoe bangsa pintor sarta binangkit. Karana mana bangsa noe gěde teh, noe sakitoe kaparékna koe batara, saperti oerang kaparěk koe Pangeran, Allah oerang, tijap-tijap oerang sasambat ka andjeunna? Sarta mana bangsa gede teh, anoe boga pikoekoeh djeung hoekoem noe sakitoe adil, saperti ijeu satoret kabeh, anoe koe kami dibikeun ka hareupeun maraneh mangsa ajeuna? Koe tina sabab kitoe, ijeu pangandika koedoe aja dina hate maneh. Djeung koedoe koo maneh dipapatahkeun ka anak-anak maneh, sarta ditjatoer-tjatoerkeun, keur maneh dijoek di djěro imah, keur maneh leumpang di djalan, keur maneh ngedeng djeung keur maneb hoedang. Oepama maneh těměn nja noeroet ka paugandika Pangeran, tanwande maneh kadatangan berkah. Diberkahan maneh di nagara, djeung diberkahan maneh pasisian. Diberkahan maneh dina maneh asoep, sarta diberkahan maneh dina maneh ka loewar. Sabalikna, oepama maneh hanteu noeroet ka pangandika Pangeran, tangtoe maneh kadatangan panjapa, sarta maneh koe Pangeran bakal dipabalentjarkeun, diajakeun di sagala bangsa, sarta maraneh pikarieun ngan saeutik di lebah bangsa kapir. Eh Israil! geura dengekeun: maneh ajeuna rek meuntas tji Jordan, soepaja asoep, baris meunangkeun bangsa galede nja rarosa ti batan maneh. Samangsa eta teh koe Pangeran, Allah maneh, didjongklokkeun ti hareupeun maneh, poma-poma maneh oelah ngomong sadjero hate, kijeu: Aing pangdiasoepkeun koe Pangeran, nja koe karana kaběněran aing. Lain koe karana kaběněran maneh, atawa koe karana kaestoean hate maneh, enjana mah koe karana kadorakaän eta sagala bangsa, noe matak koe Pangeran disalingkahkeun ti hareupeun maneh. Běněrna mah maneh koedoe ngingětkeun ka Pangeran, Allah maneh; karana nja andjeunna noe maparin kawasa ka maneh, njijeun kamoektian kitoe. Sabalikna, oepama maneh datang ka mopohokeun ka Pangeran, sarta los noeroet ka aällahan: eta kami ngingětan ka maraneh ajeuna, ana kitoe mah, maraneh tangtoe pisan digempoer, saperti bangsa-bangsa [ 130 ]noe koe Pangeran digempoer, dileungitkeun ti hareupeun maraneh. Eta bangsa-bangsa, noe koe maneh bakal dibeunangkeun teja, pada ngagoegoe ka toekang metangankeun djeung ka toekang noedjoem; děmi maneh teh hanteu diidinan koe Pangeran milampah kitoe. Ari timbalan Pangeran ka kami: Kami mengke ngajakeun hidji nabi pikeun maranehanana ti tengah doeloer- doeloerna, nja tjara maneh; eta koe maraneh koedoe digoegoe; sarta kami bakal maparin pangandika kami dina biwirna; seug eta bakal njatoerkeun ka maranehanana saniskara noe koe kami ditimbalkeun ka dinja. Geus kitoe, saha-saha djalma noe teu ngagoegoe ka pangandika kami, anoe koe eta ditjatoerkeun mawa djenengan kami, tangtoe kami moendoet katerangan ti noe kitoe. Kami ajeuna menta saksi langit djeung boemi pěrkara maraneh; kami ka maneh geus mopojankeun biroep reudjeung paeh, běrkah reudjeung panjapa: mana manèh geura milih hiroep, soepajana hiroep, nja maneh sarta djeung toeroenan maneh.”

3. Tidinja Pangeran ngandika ka Moesa: „Maneh geura oenggah ka goenoeng Něbo, noe paběněran Jériho, toeloej tendjokeun tanah Kanaän; seug maneh pipaeheun dina eta goenoeng, sakoemaha Haroen, doeloer maneh, paeh di goenoeng Hor, sapedah maraneh moengpang ka timbalan kami di tji Měriba teja.” Oendjoekan Moesa ka Pangeran: Noen Pangeran, Allah ěrohing sadajana daging! moegi ngadjěněngkeun hidji djalma, sina njangking padjèmochan; anoe bade ngaboedalkeun maranebanana sareng noe bade ngasoepkeun maranehanana; sangkan padjèmoehan Pangeran oelah sapertos domba noe taja pangangonna.” Ari timbalan Pangeran ka Moesa: Maneh koedoe njokot Josoca anak Noen; nja eta djalma noe kaäsoepan Roh; seug koe maneh toempangan leungeun, sarta koe maneh djogokeun ka bareupeun sapadjěmoehan. Sarta koe maneh teundeunan kamoeljaän maneh sawareh, soepaja sapadjěmoehan oerang Israil pada noeroet ka dinja. Ari panghoeloe Elasar koedoe mangnaroskeun Josoea ka pajoeneun Pangeran, make noe paranti, nja Oerim teja.” (§ 39, 1). Prak Moesa ngalampahkeun kitoe; toeloej Josoea pinoeh koe [ 131 ]Roh kapinteran. Tidinja Moesa ngabérkahan bangsa Israil, sakaom-sakaomna, toeloej naek ka goenoeng Něbo teja, ladjeng koe Pangeran ditoedoehkeun ka sakoeriling tanah eta. Seng Moesa poepoes di dinja, noeroetkeun timbalan Pangeran. Sarta koe andjeunna dikoeboer dina hidji lebak; tapi taja pisan djalma noe njaho koeboeranana, topi ka poë ajeuna. Ari Moesa teja, mangsa poepoes, oemoerna 120 taoen; tatjan lamoer sotjana, sarta tatjan soeda bajoena. Geus kitoe oerang Israil pada njeungtjeurikan Moesa 30 poë lilana.


PASAL IV.
Tjarijos Josoea djeung para Hakim.

$49. Diasoepkeunana ka tanah Kanaän.

(Josoea 1-5.)

1. Sanggeus poepoes Moesa, ladjčng Pangeran nimbalan ka Josoea, (¹) kijeu timbalanana: „Maneh teh masing tegěr djeung masing gede hate piaan; koedoe ngestoekeun ngalampahkeun saoenina Toret, anoe diparentahkeun ka maneh koe Moesa, abdi kami; poma oelah njimpang ti dinja ka katoehoe atawa ka kentja. Eta kitab Toret teh oelah pisah ti biwir maneh; nja koedoe koe maneh dipikir-pikir beurang-peuting, soepaja maneh ngestoekeun ngalampahkeun téroes sakoemaha noe kaoengělkeun dina eta kitab; karana ari kitoe mah djalan maneh tangtoe loeloes, sarta ari kitoe mah maneh tangtoe pintěr lalampahan."

(¹) Ari Juwoea eta saroewa panghartina djeung Jesoes, Josoes, nja eta basa Ibrani. Jesoев, nja eta basa Joensui. Josoea teb djadi kalangkang Jesoes. Saperti Josoes nganteurkeun bangsa Israil tina tegal kikisik kana djèro tanah Kanaän, Dja eta tanah anoe labar-leber tjisoesoe djeung madoe, pja kitoe deui djalma përtjaja koe Goesti Jesoes dianteurkeun tina doenya sangsara kana roureuhna tanah Kanaan ance di sawarga.

2. Tidinja Josoea miwarangan doewa djalma, baris lolongok ririkipan. Eta daratang ka Jeriho, seg mondok di imah hidji awewe ngaran Rahab. Geus kitoe aja noe ngoeninga eta ka [ 132 ]radja Jeriho. Toeloej radja miwarangan ka Rahab, sarta marentah kijeu: Geura bidjilkeun eta djalma, noe arasoep ka imah maneh. Gantjangna eta doewa djalma koe awewe teh ditjokot sarta disoempoetkeun ka loehoer imah, dirimboenan koe tangkal haramaj, beunang manehanana ngentepkeun. Pok ngadjawab ka piwarangan radja: „Lěrěs, aja djalma darongkap ka koering, nanging koering teu terang ti mana djěboelna. Děmi geus kitoe, waktoe rek meundeutkeun panto nagri, barang reup sareupna seug eta djalma baridjil. Geura njoesoel ka darinja, geus tangtoe kaoedag.” Toeloej eta djalma ngaroedag, njoesoel ka darinja, sarta ari geus ka loewar, pek panto nagara dipeundeutkeun. Děmi samemeh eta doewa djalma hareës, tjat awewe teh oenggah ka darinja, sarta ngomong ka darinja, kijeu: „Koering hanteu samar, jen jjeu tanah koe Pangeran geus dipaparinkeun ka oerang Israil, djeung oerang dijeu geus pada katinggang baloewas koe oerang Israil. Karana koering geus pada ngadenge bedja, tjai laoet Agěr koe Pangeran didaměl saät ti heulaeun oerang Israil, basana boedal ti Měsir. Ari ajeuna moegi pada soempah ka koering njeboet Pangeran, sarehna koering milampah kahemanan ka sampejan, eta sampejan sawangsoelna sanggoep milampah kahemanan ka ahli bapa koering.” Seug eta disoempahan koe eta doewa djalma. Tidinja koe eta awewe pada dioeloer tina djandela koe tambang beureum, wantoe-wantoe imahna aja di koeta nagara, djadi awewe teh tjitjingna dina koeta. Ari eta doewa djalma nitahan ka dinja, eta tambang beureum teh koedoe ditalikeun kana djandela, pitjirieun pikeun njaho kana imahna. Bral eta djalma laleumpang, baralik ka Josoea. Ari pihatoerna ka Josoea: „Sajaktosna, jeu satanah kabeh koe Pangeran dipasihkeun ka leungeun oerang Israil; samalah sadajana priboemi ijeu tanah aladjoer bawaning sijeun koe Israil.”

3. Broel ngabroel oerang Israil, toeloej daratang ka tji Jordan, noe harita leber dina sawahanganana. Ngandika Pangeran ka Josoea: „Poë ijen kami rek ngamimitian ngagoengkeun ka maneh di hareupeun panon sabangsa Israil, soepaja pada terangeun, [ 133 ]jen kami teh njarengan ka maneh, sakoemaha kami tadi njarengan ka Moesa.” Geus kitoe, mangsa djalma-djalma arindit ti himah-himahna, sědja meuntas tji Jordan, seug para panghoeloe noe ngagotong pěti përdjangdjian teh arangkat ti heulaeun djalma-djalma. Djeung soekoe para panghoeloe teh antjlom kana sisi tjai; seug tjai noe ngotjor ti girang ngabaděnden, beungkak saperti hidji toempoekan; sarta ari noe ngotjor ka laoet Oejah, bejak kateukteuk. Děmi para panghoeloe noe ngagotong pěti pěrdjangdjian, ngaraděg di noe saät, di tengah-tengah tji Jordan, sarta tětěp; ari sabangsa Israil pada meuntas di noe saät. Děmi geus kitoe, seug pěti Pangeran ge meuntas, sarta djeung para panghoeloe, di hareupeun djalma-djalma; seg tjai tji Jordan datang deui ka parantina. Toeloej oerang Israil masanggrahan di Gilgal, anoe ti wetaneun Jeriho. Ari batoe 12 siki, beunang njokot ti tji Jordan, koe Josoea diadegkeun di Gilgal, geusan pangingět-ngingět pikeun oerang Israil Balalanggengna. Mangsa oerang Israil keur masanggrahan di Gilgal, toeloej pada milampah paska. Sabada paska, isoekna, pada dadabaran gandoem tanah eta. Ari Man teja eureun.

§ 50. Kapala balad Pangeran. Jeriho. Akan.
Běrkah djeung panjapa.

(Josoea 5-8.)

1. Ari geus kitoe, keur Josoea di deukeut Jeriho, hidji waktoe tjengkat sotjana sarta ningali, beh aja hidji djalma ngaděg papajoen-pajoen, sarta pananganana njëkel pědangna beunang matěk. Sor koe Josoes dideukeutan, bari dipariksa: „Sampejan teh batoer kaoela, atawa moesoeh?” Ari walonanana: „Lain, satěgěsna kami teh kapala balad Pangeran.” Broek Josoea njoeoeh kana taneuh, sarta soedjoed, ladjeng koe andjeunna ditimbalan: „Geura ngalaän taroempah tina soekoe maneh; karana ijeu enggon, anoe keur ditintjak koe maneh, nja soetji.” (¹) Nimbalan Pangeran ka Josoea: „Masing nganjahokeun, eta Jériho koe kami geus diselehkeun ka leungeun maneh. Maraneh, sakabeh [ 134 ]pradjoerit, koedoe ngoerilingan eta nagara, nja moetěr nagara teh sakali; kitoe pilampaheun maneh gěněp poë lilana. Ari dina poë noe katoedjoeh maraneh koedoe ngoerilingan nagara teh toedjoeh kali, sarta eukeur katoedjoeh ngoerilingan, panghoeloe koedoe narijoep tarompet, djeung sakabeh djalma koedoe saroerak, masing bědas soerakna; didinja koeta nagara bakal roegroeg sadasarna.” Sakitoe pisan koe Josoea dilampahkeun; broeg koeta

roegroeg sadasarna; (²)[2] seg djalma-djalma aroenggah ka nagara, masing-masing asoep ka noe dihareupan, sarta nagara teh dibeunangkeun. Ari saniskara noe aja di djěro nagara koe maranehanana diharamkeun. Ari sakabeh ěmas-perak diasoepkeun ka radja-brana gědong Pangeran. Děmi Rahab djeung saeusi-imahna dihiroepan. (³) [ 135 ]

Samangsa nembongan ta Moesa, nembonganana di djěro seuneu boeroeng, dina tengah leuweung tjoetjoek, Samangsa nembongan ka Joscea, ance djadi kapala pèrang, nembonganana saperti kapala balad Pangeran, sabab andjeunna teh noe ngelehkeun saksbehna moesoehna sarta noe něrapkeun sakabehna siksaan. Děmi Pangeran teh djoeměneng Radja oerang Israll, nja Pangeran noe djoeměněng senapatina dina sagala perangna.
(²) Ance ngawatja lleu eta oelah salah kaharti; koeta Jerlho moal roegroeg toe djalan njoep tarompet, atawa koe djalan saroerak djalma; roegroeg soteb hoe lantaran kapěrtjajaän. (Teadjokeun Ibr. 11: 30.)
(³) Nja kitoe deui koo lantaran kapërtjajaän noe matak Rabab, dajang teja, teu kabawa toempoer djeung noe baraha, tina sabab geus ngakue Barta djeung hadena ka djalma noe lolongok.

2. Ari Akan, hidji djalma kaom Joeda, njokot ti noe hoekoem haram, noe matak Pangeran djadi běndoe ka oerang Israil. Toeloej koe Josoea diarinditkenn 3000 djalma, pikeun ngelehkeun nagara Ai; tatapi eta teh kalaboer ti hareupeun oerang Ai. Seug hate djalma-djalma adjoer, djadi kawas tjai. Toeloej Josoea njosoëk panganggona, bloek njoeoeh kana taneuh di hareupeun pěti Pangeran, těpi ka boerit, nja andjeunna djeung para kokolot Israil; sarta pada neundeun taneuh ngeboel dina sirahna. Ari timbalan Pangeran ka Josoea: „Israil boga dosa, nja ngarěmpak pěrdjangdjian kami, noe koe kami ditimbalkeun ka darinja; nja njarokot tina barang noe hoekoem haram, nja maraling, nja barohong, malah ditjampoerkeun ka barangna sorangan. Geura hoedang, koedoe njoetjikeun eta djalma-djalma, bari marentah kijeu: di tengah maneh, Israil! aja noe hoekoem haram; maneh hamo bisa tagen di hareupeun moesoeh maneh, ari noe hoekoem haram teh koe maraneh tatjan disingkirkeun ti tengah maraneb.” Barang braj isoek, gantjang Josoea dangdan, toeloej ngadeuheuskeun Israil sakaom-sakaomna; seug kaoem Joeda ditoedjoel. Tidinja ngadeuheuskeun bangsa-bangsa Joeda; seug bangsa oerang Serah noe ditoedjoel. Toeloej ngadeuheuskeun bangsa oerang Serah, saoerang-saoerang; seug Sabdi noe ditoedjoel. Ana ngadeuheuskeun eta eusi imahna saoerang-saoerang, seug ditoedjoel Akan teja. Ngalahir Josoea ka Akan: [ 136 ]„Eh agoes! geura njanggakeun hormat ka Pangeran, bari ngakoe di pajoeneun andjeunna. Geura tjaritakeun ka kami, maneh milampah naon?” Ngawangsoel Akan: „Sajaktosna simkoering gadoeh dosa ka Pangeran; kijeu noe dipilampah koe simkoering: ari dina barang djarahan simkoering teh nendjo hidji haroedoem boewatan Baboel, leuwih aloes, sareng 200 gèbleg sekel perak, sarawoeh hidji poepoeton ěmas; ladjeng simkoering kabongroj, pek ditjokot; soemoehoen, disoempoetkeun dina taneuh, di djěro himah simkoering.” Doemadakan, ĕnja kapanggih dina himahna. Ngalahir Josoea: ,Naha maneh bět ngaripoehkeun ka kami djeung ka sakabeh? Maneh bakal diripoehkeun deui koe Pangeran dina poë jeu.” Pek Akan teh koe sabangsa Israil dibaledogan koe batoe; toeloej pada didoeroek koe seuneu, bari seug diboegbroegan koe batoe. Sanggeus kitoe Josoea djeung sabala kabeh ngaroeroeg ka Ai, seug djalmana dipaehan koe pedang sarta nagarana disoendoet koe seuneu.

3. Mangsa eta Josoea ngadaměl hidji altar di goenoeng Ebal, ngaboektikeun dawoehan Moesa (5 Moesa 27), seug dina loehoer eta ngoerbankeun ka Pangeran. Sarta andjeunna di dinja njěrat dina batoe-batoe, noeroen toret Moesa. Sanggeusna kitoe andjeunna ngaos saeusina toret, běrkahna djeung panjapana. Ari gěněp kaom narangtoeng dina goenoeng Gěrisim, sarta gěněp kaom deui narangtoeng pahareup-hareup, nja dina goenoeng Ebal. Ari para panghoeloe narangtoeng di tengah, reudjeung pēti pěrdjangdjian. Oenggal-oenggal diaos běrkah toret njanghareup ka Gérisim, ari diaos panjapana mah njanghareup ka Ebal. Åri sakabeh djalma saban-saban kali ngomong: Amin.

Ari goenoeug Ebal djeung goenoeng Gèrisim djadi doswa goenoeng anoе paeunteung-eunteung. Di antarana aja lěbak Sěkem, Arl lampingna geenoong Ebal, anos njanghareup ka kaler, eta boelistir djeung neuhat. Ari lampingna goenoeng Gerisim, anoe njanghareup ka kidoel, ata patingroenggoepoek. Děml altar teb diaděgkeun dina goenoeng Ehal, nja kitoe diseratkeunana toret djeung dibatoerkennapa koerban koedoe di goenoeng Ebal; eta kitoe pětana, sabab goepoeng Ebal teh eta kawas goenoeng panjapa. Koe toret panjapa teh diajakeup; koe koerbau panjapa teh dileungitkeun. [ 137 ]

§ 51. Perang koe Josoea ditoeloejkeun
(Josoea 9-12.)

1. Ari priboemi Gibon ngadarenge bedja hal anoe koe Josoea dipidaměl ka Jériho djeung ka Ai teja, toeloej eta njijeun akal; aja noe laleumpang, poera-poera djadi oetoesan, sarta marawa endong baroeroek dina kalde-kaldena, djeung karoeng anggoer baroetoet nja barědah, sarta beunang ngaroet; ari soekoena make taroempah baroeroek sarta beunang nambalan, djeung papakeanana baroetoet, sarta sakabeh roti běkělna toehoer nja boeloekan. Bral laleumpang ka pasanggrahan di Gilgal, pok aroendjoekan ka Josoea djeung ka oerang Israil: „Noen, simkoering darongkap ti nagara anoe djaoeh kalangkoeng-langkoeng, tina pěrkawis padjěněngan Pangeran, Allah gamparan; karantěn simkoering ngaroeping wartana, sareng saniskanten noe koe andjeunna didaměl di Měsir; kitoe deui saniskanten noe koe andjeunna didaměl ka eta doewa radja noe di peuntaseun tji Jordan, ka Sihon sareng ka Og; ari ajeuna moegi ngadaměl pěrdjangdjian ka simkoering.” Top djalma pada njokot tina běkělna, sarta teu naros heula ka lambe Pangeran. Prak bae Josoea ngadaměl karahajoean ka darinja sarta dipaparin pordjangdjian bakal dihariroepan; malah-malah gégěden padjěmoehan pada soempah ka darinja. Děmi geus meunang tiloe poë ti sanggeus kitoe, toeloej oerang Israil ngadarenge bedja jen eta teh tatanggana, sarta tjitjingna di tengah oerang Israil. Njalaoer para gěgěden ka oerang Israil: „Sina bariroep bae; tatapi sina djaradi toekang soeloel djeung toekang tjai pikeun sapadjemoehan djeung pikeun gědong Allah." Toeloej koe Josoea pada dibakoekeun kana pagawean kitoe teja.

2. Geus kitoe, mangsa Adoni-Sidik, radja Jěroesalem, ngadenge bedja jen Josoea meunangkeun Jeriho djeung Ai, sarta diharamkeun; djeung deui jen priboemi Gibon ngahadean ka oerang Israil: toeloej sijeuneun kabina-bina. Toeloej Adoni-Sidik ngoetoesan ka opat radja oerang Emor, soepaja eta [ 138 ]ngabantoe njabět ka oerang Gibon. Seug karoempoel eta lima radja, sarta marawa sakabeh wadya-baladna; toeloej pada masang grahan deukeut Gibon. Geus kitoe oerang Gibon ngadjoeroengkeun ka Josoea, oendjoekan kijeu: „Abdi gamparan moegi oelah ditjoelkeun koe panangan gamparan; moegi sing enggal linggih ka abdi, sarěng abdi teh moegi dipitoeloeng.” Ari Josoea ngadak-ngadak nga boeroedoeg ka moesoeh-moesoeh teh. Sarta koe Pangeran digoedjroedkeun di hareupeun Israil. Mangsa keur kalaboer, goer Pangeran ti langit ngaragragkeun batoe galėde ka darinja; hos paraeh; loba noe paraeh koe batoe hoedjan boewah, ti batan noe dipareuntjit koe oerang Israil koe pédang. Waktoe eta Josoea oen djoekan ka Pangeran, kasaksian koe oerang Israil: „Eh, panon poë ! geura tjitjing lěbah Gibon; sarta boelan geura ngaranděg lebah lebak Ajalon!” Dig panon-poë ngaranděg di tengah langit, hanteu gantjang soeroep, kira sapoë djępoet, tépi ka djalma-djalma geus malës ka moesoehna. Ka toekang ka hareup taja poë sapérti eta, hal Pangeran ngamakboel ka paněda djalma; karana Pangeran noe mangměrangkeun Israil. — Ari koe Josoea disabětanana satanah eta kabeh; nja eta pigoenoengan djeung tanah kidoel, djeung tanah handap, sarta lamping-lamping, katoet sakabeh radja -radjana; taja pisan noe dikarikeun; ari sakoer noe aja amběkanana diharamkeun, sakoemaha timbalan Pangeran teja. Tidinja (těgěsna ari sakidoelna Kanaän geus taloek) Josoea moelih ka pasanggrahan di Gilgal, diiring koe sabangsa Israil.

3. Ari geus kitoe, mangsa Jabin, radja Hasor, ngadenge bedja, toeloej ngoetoesan ka sagala radja anoe tjaritjing di kaler. Tidinja eta teh pada boedal, mawa sakabehna wadya baladna, djalma mangpirang-pirang, sarta koeda djeung kareta loba katjida; seug masanggrahan sarerejana deukeut tjai Merom, sědja měrangan ka Israil. Toeloej koe Pangeran pada diseleh keun ka leungeun Ísrail; seug ditěmpoeh, taja noe dikarikeun, sarta tanahna dibeunangkeun. Toeloej Josoea liren měrangan. Djoemblahna 31 radja noe koe oerang Israil disabět koe pědang, sarta tanahna dibeunangkeun. [ 139 ]

§ 52. Panoengtoengan Josoea.
(Josoea 13-24.)

1. Ari Josoea geus sepoeh, geus lila pisan oemoerna, seug tanah Kanaän koe andjeunna dibagikeun ka salapan kaom djeung satengah kaom Menase, noe tatjan narampa milikna. Ngan kaom Lewi mah hanten dipaparin milik; koerban seuneu bade ka Pangeran, nja eta noe djadi milikna. Tatapi oerang Israil pada mere ka ahli Lewi ti samilik-milikna, noeroetkeun timbalan Pangeran, 48 nagara djeung sampalanana. Ari himah těpangan dipasangkeun di Silo. Tab, kitoe Israil koe Pangeran dipaparin satanah kabeh, noe koe andjeunna didjangdjikeun ka karoehoenna teja. Sadajana pangandika kabagdjaän, noe diandikakeun koe Pangeran ka anak-poetoe Israil teja, hidji pangandika ge taja noe pětjat; sadajana tiněkanan.

2. Sanggeus kitoe, eta katiloe satengah kaom, noe baroga milikna wetaneun tji Jordan, koe Josoea dipapatahan masing njaah ka Pangeran, sarta diberkahan, seug didjoeroeng leumpang. Bral oerang Roebin, oerang Gad djeung satengah kaom Měnase teh maroelang ti Silo, ngadjoegdjoeg ka tanah Gilad. Barang daratang ka wewengkon tji Jordan, prak njarijeun hidji altar di dinja, di sisi tji Jordan, altar noe gěde, soepaja katendjo. Barang oerang Israil geus ngadarenge kitoe, seug sapadjěmoehan oerang Israil karoempoel ka Silo, sědja indit ka darinja, ngaroeroeg. Sarta ngahiras ka darinja, ka tanah Gilad, nja eta Pinčhas poetra panghoeloe Elasar, sarta direudjeungan 10 gegěden, noe njalaoer ka darinja: „Nahaon kasalahan noe koe maraneh dilampahkeun, wět oendoer ajeuna ti poengkoereun Pangeran, djalan maraneh njijeun altar keur diri maraneh?" Ngawangsoel oerang Roebin, oerang Gad djeung satengah kaom Měnase, nja kijeu: Kaoela pangmarilampah kitoe teh tina salempang, tina aja sababna; tjarek kaoela: „Ka-hareupna poetra-poetra sarampejan bok bisi ngaromong ka anak-intjoe kaoela, kijeu pokna: „Maraneh dek nahaon ka Pangeran, Allah Israil? [ 140 ]Da noe didaměl wates koe Pangeran antara kaoela djeung maraneh, nja eta tji Jordan; maraneh teu boga bagian ka Pangeran. Ana kitoe mah anak-intjoe kaoela meureun pada eureun ibadah ka Pangeran. Noe matak kaoela njijeun hidji altar, lain pikeun koerban, satěgěsna minangka saksi eta teh di antara kaoela sadaja djeung sarampejan, sarta di antara toeroenan-toeroenan oerang pandeurieun oerang. Palijas teuing kaoela baraha ka Pangeran, atawa oendoer ajeuna ti poengkoereun Pangeran, njijeun deui altar pikeun koerban, djaba ti altar Pangeran, Allah oerang, noe di hareupeun balandongan andjennna." Barang Piněhas djeung para gegěden padjěmoehan geus ngareungen eta kasaoeran, pangrasana hade písan.

Katerangan. Noeroetkeun toret Moesa, saha-saha noe ngoerban lain dina altar noe di hareupeun himah těpangan, koedoe diboekoem paeh.

3. Tidinja Josoea ngoempoelkeun sakabeh kaom Israil ka nagara Sěkem, sarta mapatahan ka djalma-djalma koedoe pada anoet ka Pangeran. Pok ngalahir Josoea ka darinja: „Oepama goreng mah koe pangrasa maraneh ngabakti ka Pangeran teh, geura milih ajeuna koe maraneh anoe mana dek dibakti, boh aällahan noe sok dibakti koe karoehoen maraneh, boh aällahan oerang Emor; ari moenggoeh diri kami djeung saeusi imah kami mah sědja ngabakti ka Pangeran.” Pihatoer djalma-djalimu teh ka Josoea: „Koering sanggěm ngabakti ka Pangeran, Allah koering sadaja, sareng sědja anoet ka timbalanana.” Tah, kitoe Josoea ngadaměl pěrdjangdjian ka djalma-djalma di Sěkem. Ari Josoea poepoes, oemoer 110 taoen.

§ 53. Djaman para Hakim. Débora.

(Para Hakim 1-5.)

1. Ari oerang Israil teh ngabakti ka Pangeran sapandjang djoeměněng Josoea djeung sapandjang djoeměněng para kokolot, noe pada ningali sakabeh dadamělan Pangeran noe aragoeng teja. [ 141 ]Seug hoedang toeroenan eta ti pandeurieunana, noe teu pati njarahoëun ka Pangeran, kitoe keneh ka dadamělan, anoe koe andjeunna didaměl ka Israil teja. Tidinja oerang Israil marigawe goreng di pajoeneun Pangeran, sarta ngabarakti ka Baäl-Baäl; nja eta aällahan, noe dipiallah koe bangsa-bangsa noe sakoerilingna. Ladjeng Pangeran djadi běndoe ka Israil, sarta diserahkeun ka leungeun moesoeh-moesoehna ti sakoeriling. Ari satijap-tijap Pangeran ngajskeun hakim keur maranehanana, geus kitoe Pangeran njarĕngan ka eta hahim, sarta njalamětkeun maranehanana tina leungeun moesoeh-moesoehna, sapandjang djoeměněng eta hakim; karana Pangeran bandjakaleun tina gegěroenganana, tina sabab noe njarěděkkeun djeung noe ngagentjet ka maranehanana. Děmi geus kitoe, mangsa hakim teh geus poepoes, seug aloendoer, lebar deui lampahna, ngoengkoelan ka kolot-kolotna.

2. Ari oerang Israil marigawe noe goreng di pajoeneun Pangeran. Toeloej koe Pangeran diserahkeun ka leungeun Jabin, noe ngaradjaän di Hasor; sarta radja teh nganijaja ka oerang Israil sakama-kama, 20 taoen lilana. Dina mangsa eta aja hidji nabi istri, djěněngan Débora, noe ngabakiman ka Israil. Toeloej Débora miwarangan Barak, koedoe mawa salaksa djalma, měrangan ka Sisera, kapala balad Jabin. Pihatoer Barak ka Děbora: „Madak andjeun njarengan ka kaoela, soemangga kaoela leumpang.” Saoer Děbora: „Hade, kaoela tangtoe miloe.” Toeloej dangdan, bral angkat sareng Barak. Ladjeng Pangeran ngagoedjroedkeun Sisera djeung sakabeh kareta (aja 900 kareta perang), aarta wadya-baladna, koe seuseukeut pědang, di hareupeun Barak. Djoet Sisera toeroen ti karetana, boer kaboer badarat, seug sindang ka djěro himah hidji istri noe ngaran Joël. Ari Sisera geus sare, tidinja Joël njokot hidji pantjoeh himah, pek ditantjébkeun, dipaloe kana palipisan Sisera, téroes kana taneuh, toeloej paeh. Dina poe eta Débora njanji djeung Barak, kijeu saoerna: „Tah, sadajana moesoeh andjeun, Pangeran! moedoe digěmpoer sakitoe. Sabalikna, noe [ 142 ]pada njääh ka andjeunna, sing djadi sapěrti sarangenge.” Geus kitoe tanah teh kerta, 10 taoen lilana.

§ 54. Gidion.

(Para Hakim 6—8.)

1. Tidinja oerang Israil marigawe deui noe goreng di pajoeneun Pangeran; toeloej koe Pangeran diselehkeun ka leungeun Midian, toedjoeh taoen lilana. Sarta leungeun Midian djadi kawasa ka Israil. Tina sabab Midian teh oerang Israil njarijeun keur dirina eta lijang-lijang anoe dina goenoeng-goenoeng, sarta gooha-goeba djeung enggon noe rareugreug. Ari geus kitoe, satijap-tijap Israil geus njebar, raboel oerang Midian, ngaleut saibarat simeut lobana, sarta ngaroeksakkeun kahasilan taneuh, djeung teu ngarikeun kabiroepan di Israil. Toeloej oerang Israil sasambat ka Pangeran. Tidinja soemping Malaikat Pangeran, gek linggih bandapeun kijara, noe aja di nagara Opra, bogana Joas. Kaběnéran Gidion poetra Joas keur noetoe tarigoe, dek disingkoerkeun tina sabab Midian. Toeloej Malaikat Pangeran ngalahir ka Gidion: „Eh, djalma gagah-pěrkosa! Pangeran noe njarĕngan ka maneh. Geura leumpang, make ijen kakoewatan maneh; koedoe njalametkeun Israil ti leungeun Midian; ijeu kami noe miwarang maneh.” Pioendjoek Gidion: „Madak koering měndak koernija dina sotja andjean, moegi maparin tanda ka koering, jen estoe andjeun uoe ngandika ka koering.” Gantjang Gidion njadijakeun koerban, diteundeun dina batoe tjadas. Toeloej Malaikat Pangeran njodorkeun toengtoeng tětěkěnna, pek diantělkeun ka koerban teh, seug bidjil seuneu tina eta batoe karang, ngalěboar eta koerban, les Malaikat Pangeran ngaleungit ti hareupeunana.

2. Ari geus kitoe, dina peating eta Pangeran nimbalan ka Gidion: „Koedoe ngaroentoehkeun altar Baäl djeung artjana, toeloej koedoe njijeun hidji altar baris ka Pangeran, pek ngoerbankeun koerban doeroekan.” Ari geus kitoe, sapedah sijeuneun ngalampahkeun kitoe ti beurang, noe matak dilampahkeun ti [ 143 ]peuting. Isoek-isoek djalma nagara eta haroedang, seug pada ngomong djeung batoerna: „Na saha noe migawe pěrkara kitoe?” Aja noe ngaromong: „Gidion poetra Joas noe migawe perkara kitoe.” Tidinja djalma nagara eta ngaromong ka Joas: Eta poetra sampejan bidjilkeun, dek dipaehan." Děmi saoer Joas: Naha maraneh dek mangmadoeankeun Baäl? atawa hajang noeloeng ka dinja? Oepama ĕnja eta teh Allah, sina padoe koe maneh.” Mana Gidion dina poë harita koe ramana diseboet Jeroeb-Baal (tégěsna: Baäl sina padoe ka dinja). Ari oerang Midian karoempoel, toeloej Roh Pangeran toeměérap ka Gidion; pek nijoep sangkakala, sarta Gidion ngoetoesan ngideran kaom-kaom, seug eta oge koempoel, ngiring andjeunna. Djeung deui Gidion oendjoekan ka Allah: „Madak jaktos andjeun kersa njalamětkeun Israil koe lantaran koering, sakoemaba pangandika andjeun teja, jjeu noen, koering sědja neundeun hidji koelit domba boeloean dina pangirikan; oepami aja tji-iboen dina koelit woengkoel, doepi di saloewar taneuh mah toehoer, koering teh terang, estoe andjeun kersa njalamětkeun Israil koe lantaran koering." Nja kitoe djadina. Ari isoekna Gidion oendjockan deui ka Allah: „Moegi oelah djadi bendoe ka koering, rehing koering oendjoekan sakali deui bae, moegi koering diwidian njoba sakali deui bae koe koelit teh; ajeuna koelitna woengkoel moegi sina toehoer, doepi di saloewar taneuh mah moegi aja tjiiboen.” Seug Allah midaměl kitoe dina peuting eta.

3. Tidinja Gidion dangdan, kitoe deui sakabeh djalma noe ngiring. Geus kitoe Pangeran nimbalan: Djalma noe ngareudjeungan ka maneh loba teuing, kami moal njelehkeun Midian ka leungeun eta, soepaja Israil oelah ngagoengkeun maneh, ngomong kijeu: Aing disalamětkeun soteh koe leungeun sorangan. Mana ajeuna geura ngoewarkeun, sing kadenge koe djalma-djalma, kijen nja pok: Saha-saha noe sijeun atawa inggis, geura balik bae!” Seug tina bala 22,000 noe balik, kari 10,000 djalma. Nimbalan deui Pangeran ka Gidion: „Djalma teh masih loba teuing; koe maneh bawa toeroen ka tjai, toeloej sakoer noe [ 144 ]ngaletakan tjai, koe leungeun dika-soengoetkeun, koedoe pisahkeun woengkoelkeun.” Ari geus kitoe noe nginoem sakitoe 300 djalma; děmi djalma sadjaba ti eta kabeh tapak-toeoer baris nginoem tjai. Nimbalan Pangeran ka Gidion: „Kami rek njalamětkeun ka maraneh koe lantaran eta 300 djalma teja; ari djalma noe loba mah sina maroelang saĕnggon-enggonna.” Ari geus kitoe, dina peuting eta Pangeran nimbalan ka Gidion: Maneh geura toeroen ka pasanggrahan oerang Midian, mangke maneh ngadenge omonganana.” Barang Gidion soemping, doemadakan, aja hidji djalma njaritakeun impian ka batoerna, kijeu pokna: „Edas! koela teh tadi boga impian; doemadakan, aja hidji roti gandroeng tigorolong ka pasanggrahan Midian, sarta noedjoe kana himah, neumbag; bloek roeboeh, tibalik pisan, wani himahna ngagoler.” Ngadjawab batoerna, pokna: „Eta moal naon deui ti pedang Gidion.”

4. Tidinja djalma noe 300 teh koe Gidion dibagi tiloe goendoek; sok ka leungeun sakabehna andjeunna maparin tarompet djeung kěndi kosong, sarta aja obor dina djěro eta kěndi. Tidinja Gidion djeung djalma noe ngiring darongkap ka pasanggrahan keur mimiti kemitan noe paněngah. Prak narijoep tarompet, bari pada ngadoekeun kondi; top leungeunna ti kentja njěkěl obor, ari leungeun ti katoehoe njëkěl tarompet baris ditijoep, barina ngagarero: ,Pedang bade Pangeran sarta pikeun Gidion! Dég narangtoeng di sapérnah-pěrnahna, sakoeriling pasanggrahan. Boer sapasanggrahan loempat, sarta tingdjalërit, bari kalaboer; sarta koe Pangeran diparengkeun silih-pědang batoer pada batoer. Gantjang ocrang Israil dikoempoelkeun, bari seug ngaroedag, njoesoel Midian. — Tidinja oerang Israil pada mihatoer ka Gidion: Mangga ngareh ka koering sadaja, nja andjeun, nja poetra, oja poetoe; karantén nja andjeun noe njalamětkeun koering sadaja ti leungeun Midian.” Ngawalon Gidion ka darinja: „Hamo kami ngareh ka maraneh, sarta hamo anak kami ngareh ka maraneh; nja Pangeran noe pingareheun ka maraneh,” [ 145 ]

§ 55. Abimelek djeung Jeptah.

(Para Hakim 9-12.)

1. Gidion kagoengan poetra, ngaran Abimelek, noe iboena oerang Sěkem. Ari Gidion geus poepoes, koe eta diboeroehan djalma teu poegoch nja mokahaän; seg pada noeroet ka manehanana. Toeloej leumpang ka boemi ramana di Opra, pek meuntjit saderekna; ngan kari Jotam, poetra Gidion noe boengsoe; karana njoempoet. Tidinja Abimelek koe priboemi Sěkem didjijeun radja. Aja noo ngoeninga ka Jotam; bral angkat, toeloej ngadóg di poentjak goenoeng Gerisim, sarta ngagěro, bědas pisan sowarana, kijeu sacerna ka darinja: "Eh priboemi Sekem! geura darengekeun ka kaoela, sarta Allah moegi ngadangoekeun ka maraneh. Hidji mangsa tatangkalan laleumpang, sedja ngaminjakan anoe baris ngaradjaän ka maranehanana. Pok ngaromong ka tangkal djetoen: „Moegi ngaradjaän ka koela sakabeh. Ngadjawab tangkal djetoen teh: Naha koela rek ninggalkeun minjak koela, bari toeloej leumpang kokolejangan di loehoereun tatangkalan?” Pok tatangkalan ngaromong ka tangkal kondang: „Tjik, maneh geura ngaradjaän ka koela sakabeh." Ngadjawab tangkal kondang teh: „Naha koela rek ninggalkeun kaämisan koela djeung boewah koela noe ngeunah, bari toeloej leumpang kokolejangan di loehoereun tatangkalan?" Pok tatangkalan ugaromong ka tangkal anggoer: „Tjik, maneh geura ngaradjaän ka koela sakabeh.” Ngadjawab tangkal anggoer teh: „Naha koela rek ninggalkeun anggoer koela, bari toeloej leumpang kokolejangan di loehoereun tatangkalan ?” Seug sakabeh tatangkalan ngaromong ka ki tjoetjoek: „Hajoe, maneh bae ngaradjaän ka koela sakabeh.” Ngadjawab ki tjoetjoek teh ka tatangkalan: Oepama sajaktina maraneh ngaminjakan ka koela, soepaja ngaradjain ka maraneh, hijap pada njalindoeng ka hijeum kaoela; sabalikna oepama hanteu mah, mangke bidjil seuneu ti ki tjoetjoek, ngalěboer sakabeh ki poetri goenoeng Libanon.” Ari ajeuna, oepama sajaktina sarta satěměnna lampah maraneh [ 146 ]ka Gidion djeung poetra-poetrana, noe dipeuntjit koe maraneh, djeung deui ka Abimelek, noe koe maraneh diangkat ngaradjaän priboemi Sěkem, atoeh sing baroengah koe Abimelek; kitoe deui Abimelek sing boengah koe maraneh. Sabalikna oepama hanteu mah, sing bidjil seuneu ti Abimelek, ngalěboer priboemi Sěkem; kitoe deui sing bidjil seuneu ti priboemi Sěkem, ngalěboer Abimelek.” Toeloej Jotam loempat kaboer. Ari Abimelek ngapalaän ka oerang Israil tiloe taoen lilana. Tidinja Allah ngadatangkeun soekma goreng di antara Abimelek djeung priboemi Sěkem; seug priboemi Sěkem milampah tjidra ka Abimelek. Pek manehna měrangan ka nagarana sarta dibeunangkeun. Ari djalma-djalma noe di djěro nagara dipareuntjit, djeung papanggoengan Sěkem dihoeroe kalawan sakabeh djalma noe di djěrona. Tidinja Abimelek leumpang ka nagara Tebes, sarta dibeunangkeun. Ari di těngah eta nagara aja hidji papanggoengan reugreug; seug sakabeh djalma pada kaboer, moeboes ka dinja. Geus kitoe Abimelek njampeurkeun kana lawang papanggoengan, dek dihoeroe koe seuneu. Kělěwěng hidji awewe ninggangkeun hidji batoe panggilingan kana sirah Abimelek; rěmoek tangkorekna.

2. Tidinja oerang Israil marigawe deui noe goreng di pajoeneun Pangeran, sarta ngabarakti ka aällahan bangsa-bangsa. Ladjeng Pangeran djadi běndoe ka Israil, sarta diserahkeun ka leungeun oerang Amon. Seug eta pada nganijaja djeung neungteuinganan ka oerang Israil, 18 taoen lilana. Toeloej oerang Israil sasambat ka Pangeran. Děmi timbalan Pangeran ka Israil: „Geura djig, sasambat ka aällahan beunang maraneh milih, nja eta sina njalamětkeun ka maraneh keur waktoe maraneh kasoekěran.” Pioendjoek oerang Israil ka Pangeran: „Koering tarima dosa; soemangga, koering pidaměl koemaba pisaeëunana; nanging moegi koering dileupaskeun bae dangět ajeuna.” Toeloej manah Pangeran wělas tina hal kasoesahan Israil. Geus kitoe Roh Pangeran linggih ka djalma noe ngaran Jeptah. Sarta eta ka loewar nadar ka Pangeran; pioendjoekna: „Madak oerang [ 147 ]Amon koe andjeun dipaparinkeun ka leungeun simkoering, ari geus kitoe, naon bae noe ka loewar, bidjil ti panto rorompok simkoering, manggihan simkoering, dimana simkoering wangsoel ti oerang Amon sareng kasalamětan, nja eta teh bade ka Pangeran, sědja simkoerin ngoerbankeun, didjijeun koerban doeroekan.” Toeloej Jeptah ladjěng ka oerang Amon, sarta měrangan ka dinja; seug koe Pangeran diselehkeun ka pananganana. Tidinja Jeptah soemping ka boemina; doemadakan, poetrana noe awewe ka loewar, mapagkeun andjeunna, make něrěbang sarta ngigel; ari eta teh poetra noenggal. Ari geus kitoe, Jeptah njosoëk panganggona, bari misaoer: „Alah anaking! njai teh ngahěroekkeun teuing ka ama; karana ama geus ngangah biwir ka Pangeran, sarta teu kadoega oendoer.” Wangsoelan poetrana: „Noen ama! soemangga pidaměl ka simkoering sakoemaha noe ka loewar ti lamběj ama, sarebing ama koe Pangeran geus dipaparin balěsan ti moesoeh ama.” Toeloej leumpang, nja pribadina djeung rentjang-rentjangna, sarta njeungtjeurikan kalandjanganana di goenoeng-goenoeng. Ari geus kitoe, sanggeus toetoep doewa boelan, seug moelang deui ka ramana; prak ramana ngalaksanakeun nadarna ka dinja.

§ 56. Simson.

(Para Hakim 13-16.)

1. Tidinja oerang Israil marigawe deui noe goreng di pajoeneun Pangeran; ladjéng koe Pangeran diselehkeun ka leungeun oerang Pělisti, 40 taoen lilana. Hidji waktoe Malaikat Pangeran nembongan ka pamadjikan Manoah, noe kaäsoep kaom Dan, sarta ngalahir ka dinja kijeu: „Masing njaho, maneh bakal ngadjoeroe hidji anak lalaki; eta oelah nginoem anggoer atawa arak, sarta sirahna teu meunang ditjoekoer; karana pidjadieun nasir Allah (tendjokeun § 41, 2), sarta nja eta bakal ngamimitian njalametkeun Israil ti leungeun oerang Pelisti.” Tidinja Manoah něněda ka Pangeran, kijeu panědana: Noen Goesti! eta piwarangan Allah, noe koe andjeun dipiwarang teja, [ 148 ]moegi sina tjalik deui ka koering doewaän, sarēng ngawoeroek ka koering koemaha nja pilampaheun koering ka eta boedak, anoe bade didjoeroekeun.” Ari paněda Manoah koe Allah dimakboel. Toeloej Malaikat Allah tjalik deui ka eta awewe; kaběněran awewe teh dijoek di kěbon. Ngageuwat loempat, ngala salakina. Oendjoekan Manoah ka Malaikat Pangeran: „Moegi kërsa diandég koe simkoering; sědja njadijakeun hidji anak ěmbe pihatoeraneun andjeun.” Lahiran Malaikat Pangeran: „Sanadjan kami koe maneh diandég, moal ngadahar soegoeh maneh; sarta oepama maneh hajang mặtakeun koerban doeroekan, koedoe koerbankeun ka Pangeran.” Wantoe-wantoe Manoah teu těrangeun, jen eta teh Malaikat Pangeran. Sarta Manoah oendjoekan: „Saha djěněngan andjeun?” Lahiran Malaikat: „Keur naon maneh nanjakeun ngaran kami? da eta teh adjaib.” Top Manoah njokot hidji anak embe sarta djeung koerban kadaharan; seg dikoerbankeun ka Pangeran dina loehoer batoe karang. Ari Malaikat teh lampahna adjaib; karana keur barang hoeroengna tina altar njělěboeng ka langit, seug Malaikat Pangeran moenggah di djěro hoeroenging altar. Didinja Manoah geus tērangeun, jen eta teh Malaikat Pangeran.

2. Tidinja eta awewe ngadjoeroekeun hidji anak lalaki , sarta dingaranan Simson. Ari eta boedak ngagědean, djeung di běrkahan koe Pangeran. Hidji mangsa mijangna ka nagara Timna, seug ningali hidji landjang, anak Pělisti. Toeloej moelih, mihatoer ka iboe-ramana: „Moegi eta ditjandak keur pibodjoëun koering.” Ari hal kitoe teh ti Pangeran; karana Simson nejangan pisababeun ti oerang Pělisti. Tidinja mijangna deui ka Timna; doemadakan, kapapag koe hidji singa ngora ngagaoer. Kalērēsan Simson disoempingan Roh Pangeran; pek singa teh dibebekkeun, saperti ngabebekkeun anak ěmbe. Geus rada lila antarana, Simson leumpang deui, dek ditikah. Keur di djalan sindang, ningalian bangke singa teja; doemadakan, di djěrona aja sajang njiroean, sarta madoean. Top ditjandak, bari seug ladjěng, sarta ngadaharan bari angkat. Ari geus dongkap, Simson [ 149 ]ngadaměl hadjat; toeloej njarokot 30 pirentjangeun, sina ngabatoeran ka dinja. Pok Simson misaoer ka eta: „Kaoela aja hidji toetoeroetjingan ka maraneh; oepama koe maraneh dipoepoelihkeun ka kaoela di sadjěro toedjoeh poë hadjat ijeu, sarta kapanggih, kaoela sanggoep ka maraneh mere badjoe lawon katji 30 siki djeung 30 siki badjoe pisalin. Sabalikna, oepama teu bisa moepoelihkeun mah ka kaoela, seg maraneh koedoe mere ka kaoela nja tjara sakitoe.” Ari djawabna: „Mangga, tjarijoskeun toetoeroetjingan sampejan.” Saoer Simson ka darinja: „Ti noe ngahakan bidjil kahakanan, ti noe bědas bidjil kaämisan.” Děmi teu barisaeun moepoelihkeun. Seug eta ngaromong ka garwa Simson: „Tjik, tjaroge njai woedjoek, soepaja ka oerang moepoelihkeun eta toetoeroetjingan; bisi njai djeung boemi-rama njai koe kaoela dihoeroe koe seuneu.” Toeloej garwa Simson nangis di pajoeneunana, bari misaoer: „Akang geuleuh bae ka koering, moal ěnja asih; akang toetoeroetjingan ka anak bangsa koering, ari ka koering hanteu dipaparin njaho.” Ari dina poë noe katoedjoeh seug dipoepoelihkeun bae ka garwana, tina njesedék teuing ka andjeunna. Gantjang koe eta istri dipoepoelihkeun deui ka anak bangsana teja. Pok eta malihatoer ka Simson dina poë noe katoedjoeh, samemeh panonpoë soeroep: „Naon noe amis ti batan madoe? naon noe bědas ti batan singa?” Děmi saoerna ka darinja: „Lamoen maraneh teu ngawoeloekoe koe sapi kaoela, toetoeroetjingan kaoela koe maraneh moal kapanggih.” Bral mijang ka nagara Askělon (tanah Pělisti keneh), pek njabětan 30 djalma oerang dinja, sarta papakeanana ditjandak, sok ngaleler pisalin ka noe pada moepoelihkeun toetoeroetjingau teja. Ari Simson djadi běndoe, sarta moelih ka boemi ramana.

3. Ari geus rada lila antarana, dina oesoem diboewat tarigoe, seug Simson ngandjang ka garwana. Tjarek bapana: „Panjana bapa, agoes teh geuleuh ka inja, noe matak koe bapa geus dibikeun ka rentjang agoes.” Pok Simson misaoer: „Sakali ijeu aing teu salah ka oerang Pělisti, lamoen aing njijeun katjilakaän ka dinja.” Bral Simson angkat, meunangkeun tjareuh 300 siki, [ 150 ]toeloej dikantet-kantetkeun boentoet pada boentoet, djeung diteundeunan hidji obor dina antara doewa boentoet, di těngah těngahna. Pek obor teh disaroendoetan, bari seug tjareuh dileupaskeun ka piboewateun oerang Pelisti; toeloej kahoeroean, boh toempoekan gandoem, boh piboewateun, kitoe keneh kebon djetoen. Ari oerang Pělisti geus těrangeun noe matak Simson migawe kitoe, toeloej moeroeboel, pek eta awewe djeung bapana didoe roek koe seuneu. Toeloej Simson tjalik dina hidji beulah goenoeng tjadas Etam, tanah Joeda. Tidinja perang Pelisti arindit, ngaroeroeg ka oerang Joeda. Pek Simson dibarogod koe oerang Joeda, dipake doewa tambang weuteuh, bari toeloej diariringkeun ti goenoeng tjadas teja; heg koe oerang Pělisti dipapagkeun koe soerak. Kalěrěsan Simson disoempingan Roh Pangeran, seg tambang noe dina pananganana djadi kawas lambaran haramaj toetoeng koe seuneu; barogodna leboer ti pananganana. Beh Simson měndak hidji tjatjapek kalde, baseuh keneh, pek ditjandak, dianggo neunggeulan, meunang 1000 djalma.

4. Hidji mangsa Simson angkat ka nagara Gasa (nja nagara oerang Pělisti); seug di dinja tjalik ka hidji awewe. Tidinja oerang Gasa ngalingkoengan sarta ngabongohan ka andjeunna dina lawang nagara, tatapi tjaritjing bae sapeupeuting, ngomongna: „Keun, tépi ka braj beurang, seg koe oerang dipaehan.” Děmi wantji těngah peuting Simson tanghi, kék njěkėl panto lawang nagara kalawan tihangna noe doewa, ditjaboet katoet toelakna; djoeng dipoendak, bari seug dibawa oenggah ka poentjak goenoeng, noe di hareupeun nagara Hebron. Ari geus kitoe, sanggeusna ti dinja, toeloej Simson bogoheun ka hidji awewe, ngaranna Dělila. Seug gěgědoeg oerang Pělisti ngaromong ka eta awewe: „Koedoe ngawoedjoek ka Simson, sarta tangenan dina naon kabědasanana noe sakitoe gěde teh, seg kami ka maneh tangtoe pada mere 1100 wang perak sewang.” Tidinja Dělila ngomong ka Simson: „Tjik, paparin njaho ka koering, dina naon kabědasan andjeun noe sakitoe gěde?” Diwalon koe Simson: „Depamakaoela dibarogod koe toedjoeh lambar loeloeb hedjo, noe tatjan toehoer, tangtoe kaoela [ 151 ]leuleus, djadi tjara djalma noe sedjen bae.” Prak koe awewe teh lambar kitoe dibarogodkeun ka Simson, eukeurna sare. Pok Dělila ngomong ka andjeunna: „Eh Simson! diboeroedoeg oerang Pělisti !” Djěmproeng loeloeb teh koe andjeunna dipěgatkeun, sakoemaha mégatkeun tali indjoek noe geus ngambeu seupeu. Seug doewa kali deui eta awewe dibobodo koe Simson. Ari geus kitoe, tina njěsěděk ka andjeunna koe omonganana, saban-saban poë, sarta bari dikeukeuhan, lila-lila keuheul manahna, asa rek paeh. Toeloej bae nganjatakeun ka dinja saeusi manahna; ari saoerna: „Oepama kaoela ditjoekoer, kabědasan kaoela tangtoe leungit.“ Tidinja Simson koe Dělila disina sare dina lahoenanana; seug njěloekan hidji djalma, pek koe eta ditjoekoeran noe toedjoeh oentoen sirahna. Pok Dělila ngomong: „Eh Simson! diboeroedoeg oerang Pelisti!" Neut Simson tanghi tina sarena, bari misaoer: „Aing dek kaloewar tjara ka toekang-toekang, sarta gigibrig;" karana teu oeningaeun, jen Pangeran geus njingkah ti andjeunna. (1) Kěk andjeunna koe oerang Pělisti ditjěkěl, sarta ditjokel sotjana, bari toeloej diiringkeun ka Gasa, sarta dirante tambaga; geus kitoe gawena ngagiling di djěro pangberokan . Děmi ramboetna mandjangan deui sanggeusna ditjoekoer.

(¹) Lain ramboetna noe matak Simson sakitoe gede koewatna, eta kitoe sabab Simson gens padarkeun dirina pribadi ka Pangeran. Andjeunna djadi ahli nasir. Samangsa ramboetna dipotong, panadarna pėgat sarta Allah njingkah ti dipja. Ajeuna Simson teh njandang sangsara. Tatapi sangsara teh noengtoen kana tobat. Mantas tobat ladjěng koe Allah dipaparin, ari panadarna sah deui; noe matak ramboetna dek pandjang deui sarta kakoewatanana djadi deui.

5. Tidinja gěgědoeg oerang Pělisti karoempoel, koekoerban rosa pisan ka Dagon, aällahanana, sarta soekan-soekan; seg ngaromong: „Geura ala si Simson, sina ngabodor pikeun oerang!" Gantjang Simson diala ti pangberokan, rowangan tihang. Toeloej sasambat ka djoekna: „Noen Goesti Pangeran! moegi Allah! moegi ngabědaskeun ka koering disina nangtoeng dina Pangeran, kijeu pioen emoet ka koering; noen sakali ijeu bae.” Pek [ 152 ]Simson nangkeup doewa tihang noe di tengah, anoe ditoempakan sarta ditěkěn koe eta gědong; noe hidji koe panangan katoehoe, noe hidji deui koe panangan kentja. Pok Simson misaoer: „Kadjeun diri aing paeh djeung oerang Pělisti!” Seug andjeunna toengkoel sakoewat koewat, broeg gědong teh roeboeh, ninggang ka sakoer gěgědoeg djeung ka sakabeh djalma noe aja di djěro. Ari djalma beunang Simson: maehan dina poepoesna, loba ti batan noe koe andjeunna dipaehan dina keur hiroepna.

§ 57. Tjarijos Roet.
(Kitab Roet.)

1. Keur djaman para Hakim, hidji mangsa patjěklik dina djěro tanah. Geus kitoe aja hidji djalma, ngaran Elimelek, leumpang ti Bet-Lehem, sědja ngoembara di tanah Moab; leumpangna djeung Naomi, pamadjikanana, sarta djeung anakna 9 lalaki noe doewa. Geus kitoe Elimelek maot. Anakna doewanana seug boga pamadjikan ka perang Moab; ngaran noe hidji Orpa, ari ngaran noe hidji deui Roet; ari ngarěnggonna di dinja watara sapoeloeh taoen Toeloej eta doewa anak lalaki teja paraeh deui. Geus kitoe Naomi dangdan djeung minantoena, sēdja moelang ti tanah Moab; karana ngadenge bedja, jen Pangeran geus ngalajad ka oematna, dipaparin deui rédjéki. Keur di djalan, Naomi ngalahir ka doewa minantoena: „Geura leumpang moelang, masing-masing ka imah indoeng sorangan. Moegi-moegi Pangeran midaměl kahemanan ka maraneh, sakoe maha noe koe maraneh geus dilampahkeun ka noe maraot sarta ka diri ēma.” Sěgrak-ségroek pada tjeurik; seug Orpa njijoem, amit ka mitoha, děmi Roet mah ngarakětan ka dinja. Ngomong Naomi: „Tah, lantjeuk maneh geus moelang ka bangsana djeung ka batarana; maneh oge geura moelang, noetoerkeun lantjeuk.” Wangsoelan Roet: „Oelah njěség ka simkoering, ninggalkeun ěma; salěrěsna, ka mana bae ěma angkat, simkoering sědja ngiring; bangsa ěma nja bangsa simkoering, sarěng Allah ěma [ 153 ]nja Allah simkoering; ngan maot bae noe bakal misahkeun simkoering sarěng ěma! Toeloej ladjoe leumpangna padoedoewaän, tepi ka daratang ka Bet-Lehem.

2. Harita měnéran oesoem ngamimitian diboewat gandroeng. Ari Roet leumpang, sědja moeloengan heutjak. Kaběnéran noe kapanggihna, saloewoek kébon kagoengan Boas, djalma soegih moekti, bangsa Elimelek. Doemadakan, Boas teh soemping ti Bet-Lehem, sarta misaoer ka noe dibaroewat: „Pangeran moegi njarěngan ka maraneh!” Ari wangsoelanana: „Moegi andjeun diběrkahan koe Pangeran!” Mariksa Boas: ‬„Ti saha eta awewe ngora?” Ari geus tėrangeun nja eta awewe oerang Moab, anoe ngiring Naomi teja, toeloej misaoer ka Roet: „Tjing, dengekeun anaking! oelah dek leumpang moeloeng di kěbon noe sedjen; sing matoeh bae di dijeu, ngareudjeungan boedjang kaoela

[ 154 ]awewe. Djeung lamoen maneh hajang nginoem, leumpang bae ka wadahna, seg nginoem anoe beunang nimba boedjang, sarta waktoe dadaharan koedoe reureudjeungan bae djeung eta.” Brěk Roet teh njoeöeh kana taneuh sarta soedjoed , bari oendjoekan ka andjeunna: „Koe naon simkoering anoe mawi měndak koernija dina sotja andjeun, da simkoering teh oerang nagara lijan?” Ngawalon Boas: „Geus dibedjakeun pisan ka kaoela, saniskara noe koe maneh dilampahkeun ka mitoha maneh. Pangeran moegi malés kana kalakoean maneh, sarta sing pěpěk gandjaran maneh ti Pangeran, Allah Israil, anoe koe maneh dideuheusan, hajang njalindoeng ka handapeun djangdjangna.” Ari Boas marentah ka boedjang-boedjangna, kijeu saoerna: „Nadjan dina antara beungkeutan ge eta meunang bae moeloengan, sarta koe maraneh oelah diwirangkeun. Malah koedoe dipangnjaboetkeun tina eundan, sarta tinggalkeun bae, soepaja koe eta dipoeloeng, djeung oelah digeunggeureuhkeun.” Ari moeloenganana dina eta kěbon tépi ka boerit.

3. Geus kitoe koe mitohana katendjo beunangna moeloengan. Ditanja koe mitohana: „Di mana maneh poë ijeu nja moeloengan? Toeloej Roet mopojankeun, digawena di Boas. Ari omongan Naomi: „Moegi eta diběrhahan koe Pangeran. Eta djalma baraja ka oerang, kaäsoep poerah něboes ka oerang.” Noeroetkeun timbalan mitohana, Roet toeloej ijang ka pangirikan sarta mihatoer ka Boas: „Noen, moegi meberkeun djang djang andjeun ka loehoereun abdi gamparan, karantěn nja andjeun poerah něboes.” Saoer Boas: „Ěnja běněr, kaoela teh poerah něboes; tatapi aja deui hidji poerah něboes, anoe deukeut ti batan kaoela. Oepama eta teu soekaeun něboes ka maneh, tangtoe ditěboes koe kaoela, děmi djoeměnénging Pangeran!” Ari Boas angkat, misaoer ka poerah něboes teja, sarta kasaksian koe sapoeloeh kokolot nagara, saoerna kijeu: „Naomi geus ngadjoewal lahan saloewoek, bogana Elimelek. Oepama sampejan kěrsa něboes, mangga těboes; sabalikna, oepama moal ditěboes, popojankeun ka kaoela.” Ari djawabna: „Kaoela sědja [ 155 ]neboes.” Saoer deui Boas: „Samangsa sampejan ngagaleuh eta lahan, koedoe nikah Roet, pikeun ngaděgkeun ngaran noe maot dina milikna.” Ngadjawab poerah něboes teh: „Teu kadoega kaoela mah; koe sampejan bae těboes keur diri sampejan.” Misaoer Boas ka kokolot-kokolot: „Kaoela ka sadaja menta saksi ajeuna.” Ngadjawabna: „Tarima djadi saksi. Moegi-moegi eta istri, anoe asoep ka boemi sampejan, koe Pangeran disamikeun sarēng Rahel sarawoeh sarēng Lea!” Tidinja Roet teh koe Boas ditjandak, sarta djadi garwana; toeloej ngowokeun poetra lalaki, noe dingaranan Obed; nja eta rama Isai, anoe rama Dawoed.

Katěrangan. Aja adat oerang Israil ti baheula, nja kijeu: lamoen aja djalma noe paeh sarta teu boga anak, seug pamadjikanana koedoe dikawin koe doeloerna, atawa koe baraja uoe pangdeukeutna; toeloej tjikalna, noe eta awewe didjoeroekeun, dibere ngaran salakina noe geus maot, djeung deui djadi ahli-waris bapana noe paeh teja.


§ 58. Eli djeung Samoeël.
(1 Samoeël 1-7.)

1. Keur djaman panghoeloe agoeng Eli, noe ngahakiman Israil 40 taoen lilana, aja hidji djalma, ngaranna Elkana, sarta pamadjikanana, noe ngaran Hanna, teu boga anak. Ari eta djalma saban-saban taoen sok mangkat ti nagarana, baris sěmbahijang, sarta baris ngoerban ka Pangeran di Silo (enggon himah těpangan teja), sarta Hanna reureudjeungan. Ari Hanna teh ngěněseun pisan pikirna, bari tjeurik kanjenjěrian, sarta ka loewar nadar, kijeu: „Éh Pangeran sawadya-balad! madak ka abdi kérsa maparin hidji toeroenan, sarta lalaki, koe abdi eta bade disanggakeun ka Pangeran saoemoer hiroepna, sareng sirahna moal didatangan peso tjoekoer.” Ari geus kitoe, tina sabab mantěng něnédana ka pajoeneun Pangeran, noe matak Eli nitenan ka biwirna. Děmi Hanna ngomongna sadjěroning hate, ngan koenjam-koenjěm biwirna, teu kadenge sowarana; noe matak koe Eli disangka mabok. Pok Eli ngalahir ka Hanna: [ 156 ]„Sabaraha pililaeunana deui maneh nja rek mabok?” Ngawangsoel Hanna: „Sageuj, djoeragan! abdi teh awewe beurat hate; sajaktosna abdi teh ngoetjoetkeun hate abdi ka pajoeneun Pangeran.” Ngawalon Eli, kijeu walonanana: „Geura moelang bae sarta kasěnangan; ari Allah Israil tangtoe maparin paněda maneh, anoe koe maneh disoehoenkeun ka andjeunna.” Ari Pangeran emoeteun ka dinja, toeloej ngadjoeroe hidji anak lalaki, sarta dingaranan Samoeël (těgěsna beunang njoehoen keun ti Allah). Barang geus dibeuteungan njoesoe, seg dianteurkeun ka Eli. Toeloej njanggakeun boedak teh, bari Hanna oendjoekan: „Noen, djoeragan! abdi teh awewe anoe marěk di dijeu pajoeneun andjeun, něněda ka Pangeran teja. Noe ditěda koe abdi teh, nja ijeu boedak. Kitoe noe mawi eta koe abdi disaoskeun ka Pangeran, sapandjang oemoerna, sarehing beunang njoehoenkeun ti Pangeran.”

[ 157 ]2. Ari poetra Eli, Hopni djeung Piněhas, noe djadi panghoeloe Pangeran di Silo, nja djalma balangkawarah; teu nganjarahokeun ka Pangeran. Ari Eli geus sěpoeh katjida, sarta ngadangoe warta hal saniskara, noe dilampahkeun koe poetrana. Toeloej dilahiran kijeu: „Naha oedjang marilampah perkara noe kitoe pětana? Oelah kitoe, anaking! karana lain bedja hade, noe kadenge koe ama. Tatapi eta teh teu ngagaroegoe kana lahiran ramana. Aja hidji piwarangan Allah, soemping ka Eli, sarta misaoer ka andjeunna: „Aja timbalan Pangeran kijeu: „Maneh ka anak hormat alah batan ka kami. Noe hormat ka kami, koe kami dihormat deui, děmi noe ngajehkeun mah ka kami, ditjoemahkeun. Anak maneh doewanana pipaeheun dina sa poë. Djeung kami rek ngajakeun pikeun kami hidji panghoe loe noe satoehoe; nja eta tangtoe ngalampahkeun sakoemaha noe dina manah kami djeung dina pangraos kami.” (Tendjokeun $ 70, 1.

3. Dina djaman eta pangandika Pangeran larang pisan; taja titingalian anoe lahir. Doemadakan, Samoeël keur sare dina kabah Pangeran. Tidinja Pangeran njaoer Samocël. Seug moeroe ka Eli, bari oendjoekan: „Noen, ijeu koering; karantěn andjeun njaoer koering.” Děmi lahirna: „Kami teu njaoer; balik bae, geura ngěděng.” Ari Samoeël tatjan nganjahokeun ka Pangeran, sarta pangandika Pangeran tatjan diëbrehkeun ka dinja. Tidinja Pangeran njaoer deui ka Samoeël. Ari katiloe-kalina koe Eli kahartos, jen Pangeran noe njaoer ka boedak, sarta Eli ngalahir ka dinja: „Oepama njaoer deui ka ēnoeng, koedoe ngawangsoel: „Noen Pangeran! mangga ngandika, karantěn abdi andjeun sědja ngoepingkeun.” Ladjěng nimbalan Pangeran ka Samoeël: „Kami rek ngaboektikeun ka Eli saniskara, noe koe kami diandikakeun perkara saeusi-imahna, tina hal kadorakaän, noe kanjahoan koe manehanana; sabab anakna pada migawe noe mawa panjapa ka dirina, děmi koe manehanana teu ditjarek tjarek atjan.” Ari Samoeël sijeuneun ngoeningakeun eta tetendjoan ka Eli. Tidinja Eli njaoer ka Samoeël; ari lahirna: „Naon [ 158 ]pangandika, noe koe andjeunna diandikakeun ka ěnoeng? Pomaoelah disalingkoehkeun ka kami.” Seug Samoeël ngoeningakeun ka andjeunna eta sadajana pangandika. Ari lahir Eli: „Andjeunna teh Pangeran ; moegi ngadaměl sakoemaha pihadeëunana di pajoeneun andjeunna.” Ari Samoeël teh beuki ngagědean, sarta Pangeran njarěngan ka dinja; djeung sadajana pangandikana taja noe diragragkeun kana taneuh. Geus kanjahoan koe sabangsa Israil, jen Samoeël sajaktina didjadikeun nabi Pangeran.

4. Tidinja perang Israil boedal, mapag oerang Pelisti, sědja měrangan; seug Israil eleh. Pok kokolot Israil njalaoer: „Hajoe, oerang ti Silo njokot ka oerang eta pěti pěrdjangdjian Pangeran, sina datang ka těngah oerang, sarta njalamětkeun oerang ti leungeun moesoeh oerang.” Barang Hopni djeung Piněhas reudjeung pěti pěrdjangdjian Allah datang ka pasanggrahan, gěr sakabeh oerang Israil saroerak; toeloej oerang Pělisti sijeuneun, karana aromongna: „Allah soemping ka pasanggrahan; pitjilakaeun oerang teh! Saha noe pibisaeun ngaloepoetkeun oerang ti panangan eta Allah noe leuwih moelja? Nja eta teja Allah, noe ngageboeg ka oerang Měsir koe saroepaning balahi. Ehoerang Pělisti, sing pada talėgěr!” Toeloej oerang Pělisti měrangan, seug Israil eleh. Malah pěti Allah kadjarah, sarta poetra Eli noe doewa teja paraeh. Aja hidji djalma losloempat ka Silo, bebedja ka Eli; barang njěboetkeun pěti Allah, broeg Eli teh geubis tina korsi tidjặngkang, potong těnggěkna, toeloej poepoes; wantoe andjeunna geus sěpoeh, sarta beurat.

5. Tidinja oerang Pělisti njokot eta pěti Allah, seug diasoepkeun ka djěro imah Dagon, diteundeun deukeut Dagon (nja eta artja noe boga leungeun djeung sirah tjara djalma, sarta badanna roepа badan laoek tjai). Ari isoekna Dagon teh geus roeboeh, beungeutna kana taneuh, ka hareupeun pěti Pangeran. Pek Dagon tehditjokot, diteundeun deui ka enggonna. Ari isoekna Dagon teh geus roeboeh deui, sarta hoeloena djeung [ 159 ]leungeunna doewanana beunang nilas, noempang dina bangbaloeng. Děmi panangan Pangeran beurat ka oerang Pelisti, sarta diroeksakkeun, digeboegan koe roepa-roepa balahi. Toeloej oerang Pělisti pada badami, pěti Allah teh dek dianteurkeun ka ěnggonna, babarěngan djeung barang ēmas, pikeun koerban ka salahan. Soepaja kanjahoan nja Allah anoe ngabalahikeun ka darinja atawa hanteu, seug pěti Allah ditoempakkeun kana padati weuteuh, sarta kana eta dipasangkeun doewa sapi anoe anakan; ari anakna diringkėb dina kandang. Toeloej ngawaspadakeun, eta sapi leumpang ka mana. Oepama baralik ka kandang, seug kanjahoan koe oerang Pělisti, lain Allah anoe njilakakeun ka darinja. Tidinja sapi teh tjēpět-měněr di djalan, toeroet loeloeroeng ka Bet-Semes, nagara oerang Israil. Ari geus andjog di dinja, ahli Lewi noeroenkeun pěti Pangeran. Pek kai padati teh dibeulahan, sarta sapipa dikoerbankeun ka Pangeran, di djijeun koerban doeroekan. Ari oerang Bet-Semes teh aja noe digěboegan koe Pangeran, pedah narěmpo kana pěti Pangeran. (¹) Sanggeus kitoe pěti teja diasoepkeun ka imah hidji panghoeloe ngaran Abinadab, di nagara Giba.

(¹) Koe Toret ditimbalkeun, Panghoeloe agoeng koedoe ngadeuheus kana pěti pěrdjangdjian ngan sakali sataoen, mawa gětih koerban dosa. Ka panghoeloe ge ditimbalkeun papatjoewan celah arasoep ngilikan kasoetjian; salongok ge tangtoe paraeh. (4 Moesa 4 : 20.)

6. Tidinja Samoeël ngalahir ka sakabeh anak-poetoe Israil, kijeu lahirna: „Oepama maraneh tobat ka Pangeran téroes reudjeung hate mah, koedoe pada njingkirkeun aällahan bangsa sedjen ti těngah maraneh, sarta běněrkeun hate maraneh ka Pangeran, bari ngabakti ka andjeunna woengkoel.” Prak oerang Israil njalingkirkeun aällahan teh, sarta ngabarakti ka Pangeran woengkoel. Tidinja Samoeël ngoempoelkeun sabangsa Israil ka Mispa, sarta mangnjambatkeun Israil ka Pangeran; toeloej koe Pangeran dimakboel. Děmi sabot Samoeël keur ngoerbankeun koerban doeroekan, moeroeboel oerang Pělisti, dek měrangan ka Israil; tatapi Pangeran dina poë eta ngadatangkeun goe[ 160 ]loedoeg ka oerang Pelisti, ngagoeroehna rosa pisan, sarta digoedjroedkeun, toeloej eleh di hareupeun Israil. Tidinja Samoeël njandak hidji batoe, diteundeun pikeun tanda pangingět-ngingět, sarta dingaranan Eben-Haeser, ari lahirna: „Těpi ka ajeuna Pangeran mitoeloeng ka oerang. "Tah, kitoe oerang Pēlisti teh ditoendoekkeun, teu datang datang deui ka wěwăng keran Israil.


PASAL V.
Djaman Para Radja.
$ 59. Saoel djadi radja.
(1 Sam 8-14.)

1. Ari geus kitoe, mangsa Samoeël geus sēpoeh, seug poetrana lalaki koe andjeunna didaměl hakim, njangking Israil. Tatapi poetrana teu ngalakonan djalan andjeunna, satěgěsna serong; pada ngoedag kaoentoengan, sok narima paroeroeba djeung njerongkeun běběněran. Tidinja sakabeh kokolot Israil karoempoel, sarta ngadareuheusan ka Samoeël, bari mihatoer ka andjeunna kijeu: „Salěrěsna andjeun geus sěpoeh, sarěng poetra andjeun teu ngalakonan djalan andjeun; ajeuna simkoering moegi pangdamělkeun radja, pikeun ngahoekoeman ka simkoering, sapertos sadajana bangsa-bangsa; toer piboedaleun ti heulaeun koering, sarawoeh ngoeroeskeun pěrang koering.” Děmi pangraos Samoeël, eta pěrkara goreng. Ari timbalan Pangeran ka Samoeël: „Toe roetkeun koe maneh omongan eta djalma-djalma, sapamentana ka maneh; karana lain maneh anoe dipitjeun koe eta teh, satégěsna mitjeun kami, soepaja kami oelah ngaradjaän ka maranehanana.”

2. Aja hidji djalma kaom Binyamin, ngaran Kis. Nja eta boga hidji poetra lalaki, ngaran Saoel, ngora sarta kasep; ti sěrěk taktakna kaloehoerkeun eta teh djangkoeng ti djalma noe loba. Hidji mangsa kalde bikang bogana Kis laleungit. Toeloej Saoel leumpang nejangan eta kalde; seg ngadjoegdjoeg [ 161 ]ka nagara noe dit jalikan koe piwarangan Allah, sědja njoehoenkeun pitoedoeh moeng goeh pidjalaneunana. Barang Samoeël ningali Saoel, seug Pangeran maparin pitoedoeh ka andjeunna: „Toeh, nja eta noe pingareheun ka oemat kami.” Ngalahir Samoeël ka Saoel: „Mangga geura oenggah ti heulaeun kaoela, karana poë ijeu koedoe dalabar djeung kaoela. Ari moenggoeh kalde bikang anoe andjeun, noe leungit geus tiloe poë ijeu teja, montong dipadoeli, karana geus kapanggih. Sarta keur saha sakabeh barang noe moelja-moelja di Israil? Lain pikeun andjeun sarta pikeun saeusi boemi rama andjeun ?” Ari isoek-isoek top Samoeël njandak hidji kělěnting dieusi minjak, seug dikoetjoerkeun kana sirah Saoel, bari njijoem ka Saoel sarta ngalahir: „Ijeu andjeun koe Pangeran dilisahan, djadi gėgědoeg, njangking kagoenganana." Děmi geus kitoe, barang Saoel malikkeun awak, sědja angkat ti Samoeël, seug koe Allah disalin, dipaparin hate sedjen.

3. Tidinja koe Samoeël djalma-djalma dipiwarang koempoel ka Mispa, marők ka Pangeran. Toeloej Samoeël ngadeuheuskeun sakabeh kaom sabangsa-sabangsa, seug ditoedjoel Saoelpoetra Kis. Toeloej pada nejangan Saoel, tapi njoempoet dina barang - barang. Seg diala ti dinja, toeloej ngaděg di těngah djalma-djalma. Brēg sakabeh djalma pada soerak, aromongna: „Radja teh sing salamět!" Aja deui djalma bangkawarah ngaroinong: „Koetan nja eta noe bakal njalamětkeun ka oerang?” Ari eta pada njoemahkeun ka andjeunna. Děmi andjeunna mah notorekkeun bae. Djeboel Nahas, radja oerang Amon, sarta masanggrahan deukeut nagara Jabes, bilangan Gilad. Pok ngomong ka perang Jabes: „Djalan kijeu aing dek njijeun pérdjangijian ka maraneh, saratna maraneh sakabeh ditjokel panon noe katoehoe.” Tidinja oetoesan oerang Jabes daratang ka Giba, nagara Saoel sarta njaritakeun eta omongan; toeloej sakabeh djalma pada tjeurik tingsalėgroek. Kaběněran Saoelsoemping, ngagiringkeun sapi, moelih ti kěbon. Seug pada njarijoskeun ka andjeunna eta omongan oerang Jabes teja . Seug [ 162 ]Saoel disoempingan Roh Allah, sarta djadi běndoe katjida; ladjeng ngoetoesan ka sawěwěngkeran Israil, soepaja djalma-djalma pada ngiring ka andjeunna, měrangan ka oerang Amon. Toeloej djalma-djalma pada kadatangan sijeun ti Pangeran; broel arindit kawas djalma saoerang; pek njabětan oerang Amon. Pok djalma-djalma aroendjoekan ka Samoeël: „Saha teja noe ngomong: Koetan Saoel bakal ngaradjaän ka oerang? Moegi selehkeun eta djalma djalma, koe koering sadaja dek dipaehan ." Děmi lahiran Saoel: „Poë ijeu djalma hidji ge moal aja noe dipaehan, karana Pangeran poë ijeu maparin pitoeloeng ka Israil."

4. Toeloej Samoeël ngalahir ka sabangsa Israil: Tah, ijeu kami; geura noeding ka kami kasaksian koe Pangeran: Saha noe koe kami dikanijaja? Saha noe koe kami diteungteuinganan? sarta ti saha kami narima roeroeba?” Pok pada ngawangsoel: „Andjeun hanteu milampah kitoe; Pangeran djadi saksi.” Ngalahir deui Samoeël: „Maraneh ngomong ka kaoela: Oelah hanteu aja radja ngaradjaän ka koering sadaja, halta Pangeran, Allah maraneh, anoe djadi radja maraneh. Ari ajeuna, tah geuning, Pangeran geus maparin radja njangking maraneh. Ngan maraneh teh masing sarijeun koe Pangeran, djeung koedoe ngabarakti ka andjeunna djeung sajaktina, těroes reudjeung hate. Sabalikna, oepama maraneh migawe goreng mah, geus tangtoe maraneh tiwas, boh diri maraneb, boh radja maraneh. Mana ajeuna geura pada ngadjantěng sarta tarendjokeun ijeu perkara aheng, noe koe Pangeran bakal didaměl di hareupeun panon maraneh, sangkan kanjahoan, jen gěde pisan kagorengan noe dipigawe koe maraneh, hal menta radja keur maraneh teh.” Harita teh oesoem diboewat tarigoe, sarta oesoem kitoe di tanah Kanaän tara goeloedoeg, tara hoedjan. Seug Samoeël! sasambat ka Pangeran; ladjeug Pangeran maparin goeloedoeg djeung hoedjan dina poë harita; noe matak eta sakabeh djalma sijeun katjida. Pok aroen djoekan ka Samoeël: Moegi-moegi mangnědakeun abdi gamparan ka Pangeran, soepaja abdi oelah paraeh.” Ari lahiran Samoeël: „Oelah sarijeun; ēnja maraneh migawe kagorengan sakitoe loba [ 163 ]teja mah, ngan oelah njingkir-njingkir deui ti poengkoereun Pangeran. Karana Pangeran mah moal nilarkeun oematna, tina sabab padjěněnganana noe langkoeng agoeng. Djeung deui moenggoeh di kami, palijas teuing kami migawe dosa ka Pangeran, tjoel mangnědakeun maraneh; saěnjana kami ka maraneh dek ngawoeroekkeun djalan noe hade nja lēmpěng.”

Samoeël teh liren djadi hakim, tatapi moal liren djadi nabi. Andjeunna teh djadi nabi dongkap ka poepoesna.


§ 60. Saoel dipitjeun, Dawoed dilisahan.
(1 Sam 15-16.)

1. Hidji mangsa Samoeël ngalahir ka Saoel: „Kijeu timbalan Pangeran: Kami geus niten noe koe Amalek dilampahkeun ka Israil, basana indit ti Měsir teja {tendjokeun § 33,3). Ajeuna geura leumpang, koedoe njabětan Amalek, sarta haramkeun katoet sabobogaänana, sarta oelah dipikaroenja.” Pek Amalek koe Saoel disabětan. Sarta Saoel mikaroenja ka Agag, radja Amalek; kitoe deui ka domba djeung sapi anoe pangaloesna sarta noe meudjeuhna, teu daekeun ngaharamkeun eta; děmi sakabeh sipat noe matak tjoewa sarta noe roeksak mah diharamkeun. Geus kitoe aja pangandika Pangeran ka Samoeël: „Kami teh handjakal, eta Saoel koe kami diangkat, didaměl radja; karana pangandika kami koe eta hanteu ditětěpkeun.” Barang Samoeël seg dongkap ka Saoel, toeloej Saoel ngalahir ka andjeunna: „ Andjeun moegi diberkahan koe Pangeran! kaoela parantos nětěpkeun pangandika Pangeran." Děmi lahiran Samoeël: „Moen kitoe mah, nahaon eta sada domba, ngeng-ngengan dina tjeuli kaoela, kitoe deui eta sada sapi, noe kadenge koe kaoela?” Walonan Saoel: „Beunang bala ngabantoen ti oerang Amalek, asal bala teh karoenjaeun ka domba sareng sapi noe pangsaena; noe dipambrih pikeun koerban ka Pangeran, Allah andjeun; děmi noe salijan ti eta mah geus diharamkeun. " Ngalahir Samoeël: „Lain kijeu? Nadjan andjeun leutik oge koe pangrasa pribadi, andjeun teh djadi loeloegoe sagala kaom Israil. Karab [ 164 ]Pangeran misoeka kana koerban doeroekan sapěrti kana noeroet ka timbalan Pangeran? Masing njaho, noeroet hade ti batan koerban; karana baha teh sasat dosa noedjoem, djeung basangkal teh sasat mibrahala djeung mitapekong. Sapedah andjeun mitjeun pangandika Pangeran, noe matak andjeun koe Pangeran dipitjeun tina djadi radja.” Tidinja Samoeël malik, kěrsa angkat. Kěk Saoel newak toengtoeng djoebahna, sarta datang ka soëhna. Ngalahir Samoeël ka andjeunna: „Poë ijeu karadjaän Israil koe Pangeran geus disoëhkeun ti andjeun, sarta dipaparinkeun ka hidji kantja andjeun, anoe hade ti batan andjeun.” Tidinja Samoeël moelih ka boemina sarta teu těpang-těpang deui djeung Saoel těpi ka poëanana poepoes, karana prihatin tina sabab Saoel.

2. Tidinja Pangeran nimbalan ka Samoeël: „Sabaraha pililaeunana deui maneh nja rek prihatin tina sabab Saoel, anoe koe kami dipitjeun tina ngaradjaän ka Israil? Tandoek maneh geura eusian koe minjak, toeloej leumpang; maneh koe kami dipiwarang ka Isai, oerang Bet-Lehem; karana eta anakna saoerang koe kami dipilih pikeun kami, baris djadi radja.” Děmi Samoeël geus dongkap ka Bet-Lehem, seug njoetjikeun Isai djeung poetrana lalaki, bari diarondang kana koerban. Ari geus kitoe, barang eta daratang, Samoeël ningali poetra tjikal Isai; seg aja manah: „Tangtoe geus aja.” Děmi timbalan Pangeran ka Samoeël: „Oelah nilik kana patoetna djeung kana djangkoeng děděgna; sabab eta mah koekamidipitjeun; karana lain sakoemaha tendjo manoesa; da ari manoesa teh sok nendjo kana roepa lahir, tatapi Pangeran mah ningalina kana hate.” Nja kitoe koe Isai toedjoeh poetrana disina ngaliwat ti pajoeneun Samoeël; děmi lahir Samoeël ka Isai: „Eta mah taja noe dipilih koe Pangeran; naha eta sakabeh baroedak?” Wangsoelanana: „Soemoehoen, kantoen deui boengsoena; salěrěsna eukeur ngangon domba.” Seug Isai nitahan, toeloej dibawa asoep. Ari eta beureum sěmoena, toer aloes panonna, djeung hade roepana; ari ngaranna Dawoed. Nimbalan Pangeran: „Geura dangdan, eta [ 165 ]minjakan; karana nja eta, noe dipilih.” Seug Samoeël njandak tandoek noe dieusi minjak teja, prak eta teh dilisahan di těngah saderek-saderekna. Ari Roh Pangeran njingkah ti Saoel, sarta aja hidji soekma goreng sok ngareureuwas ka andjeunna. Ari Saoel dihatoeran oeninga, aja hidji poetra Isai (nja Dawoed teja) noe pande ngatjapi; seug miwarangan, Dawoed didatangkeun ka andjeunna. Toeloej Dawoed datang ka Saoel; děmi satijap-tijap Saoel kadatangan soekma teja, pek Dawoed njokot katjapi, ditabeuh koe leungeunna, seug Saoel teh hegar sarta waras, djeung soekma goreng teh njingkir ti andjeunna.

§ 61. Dawoed djeung Goljat.
(1 Sam. 17.)

1. Mangsa eta oerang Pělisti ngoempoelkeun wadya-baladna, sědja pěrang. Ari narangtoengna dina goenoeng sabeulah ti ditoe, děmi oerang Israil narangtoengna dina goenoeng sabeulah ti dijeu; aja hidji lebak dina antarana. Djol hidji toekang prang tanding bidjil ti pasanggrahan oerang Pělisti, ngaran Goljat, ti Gat; djangkoengna gěněp asta poendjoel sadjeungkal. Hoeloena dibalakoetak tambaga, djeung make badjoe kěre sisitan; ari bahoe toembakna kawas pihanean. Děg nangtoeng, sarta soesoembar kana barisan Israil, kijeu omongna ka darinja: „Geura milih hidji djalma batoer maraneh, sina datang ka aing! Oepama bisaeun perang djeung aing, sarta aing dipaehan, tangtoe batoer aing sakabeh pada ngawoela ka maraneh; sabalikna, oepama aing anoe meunang, sarta eta dipaehan koe aing, seg maraneh koedoe pada ngawoela ka aing sakabeh." Barang Saoel ngareungeu eta omongan oerang Pělisti sarta kadenge koe sakabeh oerang Israil, toeloej pada geder sarta sarijeun katjida. — Ari tiloe poetra Isai noe panggedena geus leumpang, ngiring Saoel kana pěrang, djeung deui Dawoed geus moelang deui ti Saoel baris ngangon domba ramana. Hidji waktoe Dawoed koe Isai dipiwarang ngandjang ka doeloerna, salamět hanteuna. Ari geus datang, seg nanja ka saderekna salamět hanteuna. Sabot Dawoed [ 166 ]keur sasaoeran djeung eta, doemadakan, toekang prang tanding teh datang; pok ngomong tjara omongan tadi teja. Ari sakabeh oerang Israil laloempatan ti hareupeunana sarta sarijeuneun katjida. Pok oerang Israil ngaromong: „Na maraneh geus nendjo eta djalma noe datang teh? Saha-saha djalma noe maehan inja, koe radja bakal dibeungharkeun, liwat saking beungharna, sarta dipaparin hidji poetrana noe istri.” Pok Dawoed nanja ka djalma noe narangtoeng deukeut: „Arek dikoemaha djalma noe maehan eta oerang Pělisti sarta njingkirkeun ijen kahinaän ti oerang Israil?” Děmi Eliab, saderek Dawoed noe pangkolotna, ngadenge eta omongan; toeloej djadi amběkeun ka Dawoed sarta ngomong: „Dek naon sija datang ka dijeu? sarta di saha ninggalkeun domba noe saeutik di těgal léga? Aing njaho di koemawani sija, sarta di kagorengan hate sija poegoeh pangdatang sija teh mambrih nongton pěrang!"

2. Ana geus kadarenge eta omongan Dawoed, seug aja noe ngoeningakeun eta ka pajoeneun Saoel; toeloej Dawoed diala. Oendjoekan Dawoed ka Saoel: „Montong aja noe leutik hate; abdi gamparan sanggěm leumpang, perang sarong eta oerang Pělisti.” Ngalahir Saoel ka Dawoed: „Maneh moal kadoega leumpang, baris perang djeung eta; karana maneh boedjang keneh, ari eta mah pradjoerit ti boeboedakna." Pioendjoek Dawoed: „Abdi gamparan hidji mangsa keur ngangon domba poen bapa; hol hidji singa djeung hidji biroewang, njokot hidji anak domba tina angonan. Seug abdi ka loewar njoesoel, sarěng domba teh dileupaskeun ti soengoetna sareng dipaehan sakali. Pangeran, noe ngaleupaskeun abdi tina singa sarēng tina biroewang teja, nja eta tinangtos ngaleupaskeun abdi tina leungeun eta oerang Pělisti.” Ngalahir Saoel ka Dawoed: „Djig bae atoeh, sarta Pangeran moegi njarěngan ka maneh.” Tidinja Dawoed koe Saoel dipakeanan koe anggoan andjeunna, sarta sirahna dibalakoetakan tambaga, djeung dipakeanan badjoe kěre. Toeloej Dawoed njoren pědangna ti loewareun papakeanana, bari seug ngadjaran leumpang. Pok Dawoed oendjoekan ka Saoel: „Abdi hanteu [ 167 ]kijat leumpang make noe kijeu, karantěn abdi teu bijasa. Seug koe Dawoed ditjoetjoelan. Tidinja njokot iteukna, ditjěkěl koe leungeun, seug milih batoe rejok lima siki keur dirina tina waloengan, diaboeskeun kana wadah toekang ngangon bogana, nja eta kana kodja, sarta leungeunna ngadjingdjing bandring; bral madjoe ka eta oerang Pělisti.

3. Ana ngalijeuk oerang Pělisti teh sarta nendjo Dawoed, seg ditjoemahkeun. Pok ngomong: „Naha aing teh andjing, wět maneh datang ka aing mawa paneunggeul? Sor ka dijeu, heug daging maneh koe aing dek dibikeun ka manoek awang-awang djeung ka sasatoan galak.” Ngadjawab Dawoed ka oerang Pelisti teh: „Maneh datang ka kami mawa pēdang, toembak djeung tohok; sabalikna kami mah datang ka maneh mawa padjěněngan Pangeran sawadya balad, Allah barisan Israil, noe dihihina koe maneh teja. Poë ijeu maneh koe Pangeran tangtoe disěrahkeun [ 168 ]ka leungeun kami, sarta saboemi kabeh bakal pada nganjahokeun, jen bangsa Israil teh aja Allah; djeung ijeu sapakoempoelan kabeh bakal pada nganjahokeun, jen Pangeran njalamětkeun teh lain koe pědang atawa koe toembak; karana Pangeran noe kagoengan pěrang.” Děmi geus kitoe, pek oerang Pělisti teh dangdan, bral leumpang njampeurkeun, moeroe ka Dawoed; gěsat-gěsoet Dawoed teh loempat kana paranti baris, mapag eta oerang Pělisti. Heug Dawoed leungeunna ngodok kana kodja teja, top njokot hidji batoe ti dinja, pek ngabandring, keuna oerang Pělisti teh kana tarangna, sarta batoe teh amlės pisan kana tarangna; bloek tidjongklok, beungeutna kana taneuh. Tatapi Dawoed hanteu mawa pēdang. Ngageuwat Dawoed moeroe, nintjak ka eta oerang Pělisti, pek njokot pědangna bari diteukteuk beuheungna koe eta pědang. Barang oerang Pělisti narendjo, jen paeh pamoekna, boer kalaboer; gantjang oerang Israil ngoedag-ngoedag ka oerang Pělisti sarta disarabět.

§ 62. Dawoed djeung Jonatan.
(1 Sam 18—20)

1. Ari manah Jonatan, poetra Saoel, njantel ka manah Dawoed, sarta Jonatan miasih ka Dawoed sapĕrti ka njawa pribadi. Tidinja eta doewa ngadaměl pěrdjangdjian. Ari geus kitoe, waktoe moelih tina pěrang, awewe-awewe boedal ti sakoer nagara Israil, mapagkeun radja Saoel, make těrěbang, make karamean, djeung make kiliningan. Ari eta awewe, eukeur soeka-soeka, ngarawih patempas-tempas, aromongna: „Anoe beunang maehan Saoel mangreboe-reboe, anoe beunang maehan Dawoed manglaksa-laksa.” Seug Saoel ngadělekan bae ka Dawoed ti poë harita ka-hareupna. Ari geus kitoe, isoekna Saoel kadatangan soekma goreng teja, sarta Dawoed leungeunna ngatjapi tjara sasari, ari panangan Saoel njěkěl toembak. Pek toembak teh koe Saoel dilěmpagkeun; karana manahna: „Dek nantjébkeun Dawoed kana bilik.” Tatapi Dawoed njingtjet ti pajoeneunana doewa kali. Toeloej Dawoed koe Saoel disingkirkeun [ 169 ]ti salira andjeunna, diangkat kapala 1000 pradjoerit. Děmi Dawoed teh dina sakabeh djalanna pintěr nja lalampahan, sarta disarēngan koe Pangeran. Ari Saoel isineun koe Dawoed sarta poetrana dibikeun pigarwaeun ka dinja.

2. Tidinja Saoel ngalahir ka Jonatan poetrana djeung ka sakabeh mantrina, koedoe maehan ka Dawoed. Toeloej Jonatan oendjoekan ka ramana pěrkara Dawoed, hal kahadean, kijeu pioendjoekna: „Moegi radja oelah ngadaměl dosa ka abdi andjeun poen Dawoed; karantěn eta teu gadoeh dosa ka andjeun, saréng ari lalampahanana ka andjeun sae kalangkoeng.” Toeloej Saoel soempah: „Děmi djoeměněnging Pangeran! hamo dipaehan.” Geus kitoe Saoel kadatangan deui soekma goreng teh. Toeloej datang deui pangarah, Dawoed koe toembak dek ditantjébkeun kana bilik; ngan soepaja ngědjat ti pajoeneun Saoel; tjos toembakna nantjéb kana bilik; seug Dawoed kaboer. Tidinja Saoel miwarangan ka boemi Dawoed, soepaja didjaga, sarta koedoe dipaehan wantji isoek. Tatapi Dawoed koe Mikal, geureuhana, dioeloer tina djandela; bral angkat ngalolos, ngarahajoekeun andjeun. Top Mikal njandak hidji tapekong, diteundeun dina pasarean, toeloej saoerna ka piwarangan Saoel, Dawoed teu damang. Koe Saoel dipiwarangan deui, lahirna: „Bawa bae ka kami djeung kasoerna, soepaja dipaehan." Ana daratang piwarangan teh, sihoreng noe di pasarean teh tapekong! Ari Dawoed teja dongkap ka nagara Ramah, ka Samoeël. Gantjang Saoel miwarangan ngala Dawoed, tatapi ari piwarangan teh nendjo koempoelan nabi, keur pada ngawědjang, sarta Samoeël ngaděg, ngokolotan ka darinja; seug piwarangan Saoel pada kasoempingan Roh Allah, sarta eta ge pada ngawědjang. Toeloej Saoel miwarangan djalma sedjen, ari eta ge pada ngawědjang. Tidinja miwarangan katiloe-kalina, ari eta ge pada ngawědjang. Bral Saoel angkat koe andjeun ka Ramah, toeloej andjeunna ge kasoempingan Roh Allah, sarta ngawědjang. Kitoe noe matak djalma ngaromong: „Naha Saoel ge asoep para nabi?”

3. Tidinja Dawoed ngalolos deui ti Ramah, toeloej dongkap ka pajoeneun Jonatan, sarta mihatoer kijeu: „Abdi teh milam [ 170 ]pah naon? Naon kadorakaän abdi? Sareng naon dosa abdi ka pajoeneun rama andjeun, noe matak mandang ka pati abdi?” Misaoer Jonatan: „Akang rek ngadongdon, rama kěrsa hade atawa goreng ka Dawoed. Ari dina poë noe katiloe koedoe ka dijeu, njoempoet di těgal. Tidinja akang arek měsatkeun tiloe djamparing. kawas akang ngadjodjo kana tětěngěr. Masing njaho, akang rek nitah ka boedak kijeu: „Geura bral, tejang djamparing! Oepama akang ka boedak ngomong kijeu: „Toeh, djamparing teh ti lebah maneh ka-dijeukeun, tjokot: moen kitoe geura soemping; karana tanda salamět ka raji. Sabalikna, oepama akang ka boedak teh ngomong kijeu: Toeh, djamparing teh ti lebah maneh ka-ditoekeun: moen kitoe mah geura angkat; karana tanda raji koe Pangeran dipiwarang mijang. Ari moenggoeh pěrkara noe dipisaoer koe oerang, masing eling, Pangeran aja di antara akang djeung raji salalanggéngna.” Děmi geus pananggalan, gek radja tjalik majoenan kadaharan, kërsa toewang, tatapi nggon Dawoed kosong. Ngalahir Saoel ka Jonatan: „Koe naon anak Isai teu datang ngarijoeng dahar?” Ari Jonatan mangnědakeun ditjoekoep-loemoer bae ka Dawoed. Toeloej Saoel djadi běndoe ka Jonatan, sarta dilahiran kijeu: „Eh, anak awewe noe bengkok-baha! aing geus njaho teh teuing, jen eta anak Isai koe maneh dipilih baris pikaeraeun maneh. Karana sapandjang eta anak Isai hiroep di boemi, maneh djeung karadjaän maneh moal ditětěpkeun. Ari ajeuna, geura nitah ala, sina dibawa ka aing, karana pasti dipaehan eta teh.” Ngawangsoel Jonatan: „Koe naon noe mawi kědah dipaehan? Eta teh milampah naon?” Toeloej Saoel ngalémpagkeun toembak ka Jonatan, dek dipaehan; noe matak kaoeninga koe Jonatan, jen geus pasti lebah ramana kérsa maehan ka Dawoed. Bral Jonatan ka loewar ka těgal, měněran waktoe noe ditangtoekeun ka Dawoed, sarta měsatkeun djamparing hidji. Pok Jonatan ngagěro ti toekangeun boedak, noe nejangan djamparing teh, saoerna: „Djamparing teh lain ti lěbah maneh ka-ditoekeun? Seg-eg sing gantjang, oelah ngarandég!” Top koe boedak Jonatan eta djamparing dipoeloeng, [ 171 ]bari toeloej datang deui ka djoeraganana. Děmi boedak teja teu njahoëun koewa-kijeu. Sok pakarangna diselehkeun ka eta boedak, bari misaoer: „Geura los, bawa ka dajeuh.” Geus kitoe Dawoed indit ti lebah kidoel, brěk njoeoeh kana taneuh; toeloej silih-tjijoem djeung silih-tangisan.


§ 63. Dawoed dioedag.
(1 Sam 21-27.)

1. Toeloej Dawoed dongkap ka nagara Nob, ka panghoeloe Ahimelek. Sok panghoeloe ka Dawoed maparin roti tingalieun, sapedah teu aja roti deui. Dipaparin deui pědang Goljat. Tidinja Dawoed dangdan, seug ngalolos, dongkap ka Akis, radja oerang Pělisti. Geus kitoe mantri Akis pada oendjoekan ka dinja: „Naha eta teh lain Dawoed, radja tanah eta teja?” Lain nja eta, noe dikawihkeun patempas-tempas koe noe ngarigěl teja, pokna: „Anoe beunang maehan Saoel mangreboe-reboe, anoe beunang maehan Dawoed manglaksa-laksa?" Toeloej Dawoed sijeun, sarta ngowahan boedina di hareupeunana, njěmoe-njěmoe noe gelo ana ditjekěl koe eta. Seug Dawoed koe Akis disingkahkeun. Toeloej Dawoed minggat ka goeha Adoelam. Ari sakabeh ahli ramana djeung sakoer djalma noe karoepěkan, kitoe deui sakoer djalma noe teu ngeunah pikir, pada koempoel ka Dawoed, sarta andjeunna djadi kapalana; kira aja 400 djalma noe ngareudjeungan. Děmi koe Doëg, oerang Edom, noe djadi mantri Saoel, katendjo jen Abimelek maparin roti djeung pědang ka Dawoed. Seug eta dihatoer-oeninga ka Saoel. Tidinja radja miwarangan njaoer Abimelek djeung saeusi-boemi ramana; toeloej darongkap sadajana ka pajoeneun radja. Heug radja marentah ka tamtama, koedoe maehan panghoeloe-panghoeloe Pangeran. Tatapi eta teu daraekeun njodorkeun leungeunna ka para panghoeloe Pangeran. Heug Doëg malik , naradjang ka para panghoeloe; pek maehan dina poë harita 85 djalma. Aja hidji poetra Abimelek, djěněnganana Abjatar, ngalolos njoesoel ka Dawoed. Tidinja Dawoed tjalik di těgal lẽga [ 172 ]Sip. Djeboel aja oerang Sip, ngadareuheusan ka Saoel sarta oendjoekan Dawoed teh soesoeloempoetan di maranehanana. Tidinja Saoel angkat, njandak djalma-djalmana, kërsa nejangan. Ari mangsa ngalingkoengan Dawoed djeung djalma-djalmana, hol aja hidji oetoesan ka Saoel, mihatoer kijeu: „Moegi sing enggal soemping; karana perang Pělisti geus njělěmpěk kana tanah.” Toeloej Saoel malik tina ngoedag njoesoel Dawoed; bral angkat, mapag oerang Pělisti.

2. Děmi geus kitoe, sanggeus Saoel moelih, mantas ngaběběrik oerang Pělisti, aja noe ngoeninga ka andjeunna, Dawoed aja di těgal léga En-Gedi. Gantjang Saoel njandak 3000 djalma, bral angkat, sědja nejangan Dawoed. Ana dongkap ka těgal lēga, měndak hidji goeha; seg koe Saoel dilébětan. Kaběněran Dawoed djeung djalma-djalmana keur darijoek dina eta goeha, di djěrona pisan. Pok djalma Dawoed pada hatoeran ka andjeunna: „Geuning, nja ijeu poëna Pangeran nimbalan ka andjeun: Tah, moesoeh andika koe kami diselehkeun ka leungeun andika.” Neut Dawoed indit, toeloej ngeureut toengtoeng haroedoem Saoel, sarta lalaoenan. Děmi sanggeusna ti dinja, Dawoed ratoeg manahna, tina sabab ngeureut toengtoengna anggoan Saoel. Sarta andjeunna njaoer ka djalma-djalmana: „Palijas teuing kami teh koe Pangeran, dek migawe noe kitoe pětana ka goesti kami, datang ka kami njodorkeun leungeun ka andjeunna; karana andjeunna teh lisahan Pangeran.” Toeloej Saoel indit tina goeha, sědja ngaladjặngkeun djalan. Sanggeusna kitoe neut Dawoed indit deui, djol ka loewar tina goeha sarta ngagěro di poengkoereun Saoel, saoerna: „Goesti sang radja! Tah, dintěn ijeu katingali koe sotja andjeun pisan, salira andjeun dintěn ijeu koe Pangeran geus dipaparinkeun ka leungeun simkoering, di djěro goeha. Mangga ijeu tingali, toengtoeng haroedoem andjeun dina leungeun simkoering; mana masing oeninga sareng masing waspaos, jen leungeun simkoering taja kaäwonan atanapi kamasijatan. Pangeran noe bade ngahoekoeman antara andjeun sarěng simkoering; nanging leungeun simkoering mah moal ngamoesoeh ka andjeun.” [ 173 ]Toeloej Saoel soeměgroek nangis. Lahiranana ka Dawoed: „Maneh teh běněr alah batan kami. Mana Pangeran moegi-moegi ka maneh malės koe kahadean, naoer noe koe maneh dipigawe ka kami dina poë ijeu. Děmi ajeuna, saěnjana, kami teh njaho jen maneh tangtoe djadi radja; mana ajeuna geura soempah ka kami njěboet Pangeran, moal maneh ngabasmi toeroenan kami ti pandeurieun kami.” Prak Dawoed soempah ka Saoel; toeloej Saoel moelih ka boemina.

3. Tidinja Saoel dangdan deui, njandak 3000 djalma; bral angkat, kersa nejangan Dawoed di těgal léga Sip. Toeloej Dawoed djeung Abisai ngasoepan bala ti peuting; doemadakan, Saoel keur ebog, koelěm di djěro benteng kareta, djeung toembakna ditjéblokkeun dina taneuh, di mastakaeunana; ari bala hareës sakoerilingna. Pok Abisai oendjoekan ka Dawoed: „Moen aja widi, koe koering dek ditoembak sapisan, parat kana taneuh, sarēng moal koengsi dipindo.” Lahiran Dawoed: „Poma oelah diroeksak; karana saha noe bisa njodorkeun leungeunna kana lisahan Pangeran, toer teu meunang siksaän? Děmi ajeuna tjokot toembakna, noe di mastakaeunana, kitoe deui kendi tjaina; geus kitoe hajoe oerang leumpang!” Pek ditjandak, toeloej arangkat; horeng teh euweuh noe nendjo, djeung euweuh noe njaho, sarta taja noe lilir hidji-hidji atjan; wantoe hareës kabeh; sabab pada diragragan katibraän ti Pangeran. Ari Dawoed angkatna ka peuntas, seug ngadeg di poentjak goenoeng, ti kadjaoehan. Geus kitoe Dawoed ngageroan ka bala, sarta njeuseul ka Abner, kapala balad Saoel, sabab teu ngaraksa ka djoeraganana, ka radja, bari ngalahir: „Geura ilikan, di mana toembak radja, sarta kendi tjaina?” Děmi Saoel hanteu pangling ka sowara Dawoed; seg ngalahir: „Kami teh tarima dosa; geura moelang bae, anaking Dawoed! karana ama ka maneh moal migawe deui goreng.” Ari Saoel moelih ka enggonna. Tidinja Dawoed ngalahir sadjěro manahna: „Ajeuna aing awal-ahir tangtoe tiwas koe panangan Saoel; taja deui noe hade pikeun aing, ngan koedoe minggat ka tanah oerang Pelisti,” Prak Dawoed dangdan, nja andjeunna [ 174 ]djeung noe 600 djalma noe ngareudjeungan teja, toeloej ngalih ka Akis. Ari Saoel geus tėrangeun jen Dawoed ngalolos ka tanah perang Pelisti, seug hanteu toeloej nejangan Dawoed.

§ 64. Saoel poepoes.
(1 Sam. 28-31; 2 Sam. 1.)

1. Samoeël geus poepoes, sarta sabangsa Israil geus pada aloek-aloekan katinggal andjeunna. Barang oerang Pelisti ngaroeroeg deui ka oerang Israil, seug Saoel sijeuneun sarta manahna ngagidir kalangkoeng. Toeloej Saoel naros ka Pangeran, tatapi Pangeran teu ngawalon ka andjeunna, boh koe lantaran impian, boh koe lantaran Oerim, boh koe lantaran nabi. Tidinja Saoel marentah ka mantri-mantrina: „Kami geura pangnejangankeun hidji awewe toekang njaroemah; seg kami dek leumpang ka dinja, sédja ngoemaha koe lantaran eta. (Ari bareto, noeroetkeun timbalan Moesa, Saoel geus njingkirkeun toekang njaroemah djeung toekang ngoesoemah ti djero satanah.) Pihatoer mantri-mantrina: „Noen soemoehoen, di nagara En-Dor aja hidji awewe toekang njaroemah.” Toeloej Saoel njamar, bral angkat, sarta dongkapna ka eta awewe ti peuting. Ari lahiranana: „Panghandjatkeun Samoeël.” Barang awewe teh nendjo Samoeël, seug ngadéngek, tarik pisan sowarana. Pok oendjoekanana: „Aja batara handjat ti djēro boemi. Ari noe handjat teh djalma sěpoeh, sareng nganggo haroedoem." Geus kahartos koe Saoel, eta teh Samoeël; broek andjeunna njoeoeh kana taneuh sarta soedjoed. Toeloej ngalahir: „Kaoela liwat saking nja soesah; karana oerang Pělisti něrangan ka kaoela, sarta Allah geus njingkah ti kaoela, djeung teu ngawalon deui ka kaoela; kitoe noe matak kaoela njambat ka andjeun, soepaja kaoela dipaparin njaho anoe koe kaoela koedoe dilampahkeun.” Lahiran Samoeël: „Na, koe naon andjeun nanja ka kaoela, da Pangeran geus njingkah ti andjeun? Pangeran geus midaměl pikeun andjeunna, sakoemaha pangandikana koe lantaran kaoela teja; ari karadjaän teh koe Pangeran geus disoëhkeun ti andjeun; sarta isoekan andjeun djeung [ 175 ]anak andjeun lalaki piarajaeun di kaoela. ”Bloek Saoel teh tibeubeut sarta sijeuneun liwat saking. Sanggeus kitoe tanghi, seug tjalik dina randjang bari toewang, ladjong moelih, peuting barita keneh.

2. Mangsa Perang Pelisti ngoempoelkeun wadya baladna, po Akis ngalahir ka Dawoed: „Awak piboedaleun djeung kaoela, asoep wadya-balad, nja awak djeung djalma-djalma awak.” Ari walonan Dawoed ka Akis: „Ari kitoe mah andjeun meureun pioeningaeun anoe bakal dilampahkeun koe abdi gamparan.” Děmi kapala-kapala oerang Pelisti hanteu ngandělkeun Dawoed, sarta ngaromong ka Akis: „Eta djalma piwarang balik, sina moelang ka enggonna.” Tidinja Dawoed koe Akis disaoer, seg dilahiran kijeu: „Awak teh koe pangrasa kaoela hade; ngan ari salaoer para kapala oerang Pělesti mah, jen: eta teh oelah miloe djeung oerang kana pěrang. Mana ajeuna ari geus braj isoek, geura hoedang djeung abdi-abdi noe geus daratang djeung awak, seg geura maroelang.” Toeloej Dawoed moelih ka tanah oerang Pelisti. Ari oerang Pělisti prak měrangan ka Israil; boer oerang Israil kalaboer ti hareupeun oerang Pelisti. Ari Saoel kapanggih koe taroekang panah; pok marentah ka toekang mawa pakarangna: „Geura tjaboet pědang maneh, kami toeblės koe eta, bisi itoe djalma pada ngarogahala ka kami." Tatapi toekang mawa pakarangna teu daekeun; karana sijeuneun katjida. Pek Saoel njandak pědang koe andjeun, bari seug noeblěskeun mantěn ka dinja. Děmi poetrana anoe tiloe pada kasabět koe oerang Pělisti. Sarta Dawoed ngadaměl ijeu njanjian nalangsa, koe karana Saoel djeung koe karana Jonatan: „Kamoeljaän maneh, Israil! kasabět di ěnggon maneh noe loehoer. Lah, djalma prawira raroeboeh! Eh Jonatan, saderek! kaoela teh soesah hate koe karana andjeun; kaäsihan andjeun ka kaoela matak helok, ngoengkoelan kanjaähan awewe.”

§ 65. Dawoed djoeměněng radja.
(2 Sam. 2-6. 1 Babad 12-17.)

1. Geus kitoe daratang oerang Joeda, seug Dawoed koe eta dilisahan di Hebron, didjěněngkeun radja, njangking anak-poetoe [ 176 ]Joeda. Tatapi Abner, kapala balad Saoel, njandak Isboset, poetra Saoel, seug didaměl radja, njangking satanah Israil. Ari geus kitoe pěrang lila nakěr antara bangsa Saoel djeung bangsa Dawoed; ari Dawoed beuki lila beuki bědas, děmi bangsa Saoel mah beuki lila beuki hengker. Hidji waktoe Isboset njeuseul ka Abner, matak Abner amběkeun ka Isboset; toeloej Abner ngadeuheusan ka Dawoed, ngadaměl pěrdjangdjian djeung andjeunna. Barang eta kadangoe koe Joab, kapala balad Dawoed, seg Abner koe eta dipaehan. Barang Dawoed ngadangoe warta sanggeusna ti dinja, pok ngalahir: „Kami teu dosa ka gětih Abner; sing malik ka diri Joab.” Malah radja ngadaměl hidji njanjian palangsa tina hal Abner. – Ari Isboset ngaradjaän doewa taoen lilana. Toeloej dipaehan koe doewa djalma, kapala barisan andjeunna. Top mastakana koe eta ditjokot, dibawa ka Dawoed.

[ 177 ]Toeloej Dawoed marentah ka baroedjang, pek djalma teja koe eta diparaehan. Tidinja sakabeh kaom Israil ngadareuheusan ka Dawoed, ka Hebron, didjěněngkeun radja, njangking satanah Israil. Tidinja radja angkat ka Jěroesalem, ngaroeroeg ka oerang Jěboes, priboemi tanah eta, sarta meunangkeun benteng Sion. Tidinja Dawoed linggih di djěro eta benteng, sarta diseboetkeun dajeuh Dawoed.

2. Tidinja Dawoed dangdan, bral angkat ka Giba, nginditkeun pěti Allah ti djěro imah Abinadab (§ 58, 5). Seug pěti Allah teh ditoempangkeun kana padati weuteuh. Ari Oesa poetra Abinadab njodorkeun leungeun ka pěti Allah teh, ditjěkělan, sabab sapina laboeh. Seug Pangeran djadi běndoe ka Oesa tina eta kasalahan; hos paeh di dinja lebah pěti Allah. (¹) Toeloej Dawoed sijeuneun sarta teu kěrsaeun ngalihkeun pěti Pangeran ka dajeuh Dawoed; seug bae koe Dawoed ditoenda ka imah Obed-Edom, hidji ahli Lewi. Sarta Pangeran ngaběrkahan ka Obed-Edom djeung ka saeusi imahna. Toeloej Dawoed angkat, seug pěti Allah teh diinditkeun deui ti imah Obed-Edom ka dajeuh Dawoed, nganggo kaboengahan. Sarta Dawoed adjroeg-adjroegan sakoewat-koewat pajoeneun Pangeran.

(¹) Koe Toret ditimbalkeun panghoeloe-panghoeloe koedoe ngagotong parabot kasoetjian, tatapi oelah njabak kana kasoetjian. Lamoen kitoe eta tangtoe paraeh (4 Moesa 4 : 15 ). Soepaja parabot kasoetjian digotong sarta hanteu ditjabak, kentja-katoehoe parabot teja aja rantjatan.


§ 66. Pěrdjangdjian Pangeran ka Dawoed.

(2 Sam . 7–10. 1 Bab. 18-21.)

Ari geus kitoe, mangsa radja linggih di djěro gědongna, sarta andjeunna koe Pangeran geus dipaparin reureuh ti sakabeh moesoehna noe di sakoeriling, pok radja ngalahir ka nabi Natan: Tingali atoeh, kaoela ngěnggon dina gědong kai poetri, děmi pěti Allah mah ngěnggonna di djěro koelamboe bae.” Pihatoer Natan ka radja: „Sadajana noe dina manah andjeun, soemangga prak bae pidaměl; karantěn Pangeran noe njarěngan ka andjeun.” [ 178 ]Děmi geus kitoe, dina peuting harita seug aja pangandika Pangeran ka Natan, kijeu pangandikana: „Geura bral, popojankeun ka abdi kami, ka Dawoed: Kijeu timbalan Pangeran: „Maneh oelah waka njijeun gědong pikeun djěněngan kami, karana maneh teh pradjoerit, sarta maneh sok ngoetjoerkeun gětih. Dimana geus djédjeg oemoer maneh, kami rek ngadegkeun toeroenan maneh pandeurieun maneh. Nja eta noe bakal njijeun gědong pikeun djenengan kami, sarta korsi karadjaänana koe kami rek disina tětěp salalanggengna. Kami noe bakal piramaeunana, ari eta bakal poetra kami. Satègěsna bangsa maneh djeung karadjaän maneh pitětěpeun salalanggengna di hareupeun maneh; korsi maneh pipageuheun salalanggengna (¹) Toeloej Natan hatoeran kitoe ka Dawoed. Tidinja radja oendjoekan kijeu: „Noen Goesti Pangeran! saha simkoering, sarěng nahaon bangsa simkoering, doemoegi simkoering koe andjeun didongkapkeun ka dijeu? Doepi pěrkawis kitoe koe andjeun dimanah saeutik keneh, da andjeun malah-malah milahirkeun perkawis bangsa abdi gamparan anoe těbih ka pajoenna, sarěng nja eta teh papakon ka manoesa, noen Goesti Pangeran!” Ari geus kitoe, sanggeusna ti dinja toeloej Dawoed ngelehkeun oerang Pělisti, djeung deui ngelehkeun oerang Moab, djadi pada ngawoela ka Dawoed. Tidinja oerang Sam koe andjeunna diëlehkeun, kitoe deui oerang Edom. Toeloej di satanah Edom neundeunan patrol. (²) Sarta Dawoed koe Pangeran disalametkeun, ka mana bae angkatna.

(²) Eta pěrdjangdjian ninggang ka Soeleman poetra Dawoed, tatapi eta kalaksanakeun pisan mangsa soemping poetra Dawoed, noe djoeměněng Goesti Dawoed (Mat. 22:42). Koe eta diaděgkeun kabah saestoe kabah Allah; di dinja koempoel djalma-djalma noe sembahjang ka Allah dina soekmana sarta djeung sajaktina (Joh. 4:23), sarta ari korsina aja di těngěneun Allah. Ti watės harita Djoeroe salamět teh diantos-antos ti lebah bangsa Dawoed.
(²) Koe Dawoed loba bangsa dibawahkeun kana kawasana, datang ka kagoengan kawasa ka sakabehna tanah anoe diwatesan koe tji Prat djeung laoet Mediterane, koe goenoeng Libanon djeung laoet Arab. [ 179 ]

§ 67. Dosa djeung portobat Dawoed.

(2 Sam 10—12.)

1. Ari geus kitoe, sanggeusna ti dinja toeloej radja oerang Amon maot, sarta Hanoen poetrana noe ngaganti djadi radja. Seug Dawoed miwarangan, kérsa ngalilipoer ka dinja koe lantaran abdi-abdina. Toeloej eta abdi Dawoed koe Hanoen ditarangkép, pek ditjoekoeran godegna sabeulah, djeung papakejanana dikeureutan dina těngahna, bari seug dileupaskeun. Tidinja oerang Amon dangdan, sědja ngaroeroeg ka Israil. Gantjang Dawoed miwarang Joab djeung sabalad kabeh. Tidinja eta ngaroeksakkeun oerang Amon, sarta någara Raba dikěpoeng. Děmi Dawoed mah linggih di Jeroesalem.(¹) Dina hidji waktoe radja ti loehoer gědong andjeunna ningali hidji istri keur siram; sarta eta istri kaliwat geulis roepana, ngaranna Batseba, sarta Oeria tjarogena aja dina balad, di hareupeun Raba teja. Toeloej Dawoed njèratan ka Joab: „Oeria teundeun di poetjoek, lěbah pěrang rosa; toeloej oendoer ti toekangeunana, sina kasabět sarta paeh.” Koe Joab toeloej dilampahkeun kitoe. Toeloej oerang eta nagara boedal, gěr pěrang djeung Joab; sarta bala teh, nja eta abdi-abdi Dawoed, aja noe ngadjaloprak; malah Oeria oge paeh. Tidinja Joab ngadjoeroengkeun, ngoeningakeun eta ka Dawoed. Sanggeus kitoe Dawoed miwarang Batseba ditjandak ka gědongna, sarta djadi geureuhana.

(¹) Nganggoer djeung lampah loegah-ligeuh eta indoengna loba dosa. Anoe dibakoekeun ngalampahkeun perang Pangeran, nja Dawoed. Tatapi sabab Dawoed rasana ngeunah di Jeroesalem, toeloej eta koe Dawoed dititah bae ka senapatina, nja eta Joab. Ari eta noe matak Dawoed keuna panggoda. Lampahna loegah-ligeuh matak djadi toekang ngaranjed. Ari ngaranjed matak djadi toekang maehan.

2. Tidinja Pangeran miwarang nabi Natan ka Dawoed. Seug ngadeuheus ka andjeunna, sarta mihatoer kijeu: „Dina hidji nagara aja doewa djalma; noe hidji beungbar, noe hidji deui miskin. Ari noe beunghar boga domba djeung sapi reja katjida; děmi noe miskin mah taja pisan bogana, ngan boga anak domba leutik sasiki, beunang [ 180 ]meuli; njatoena domba teh ti hakan manehanana, nginoemna ti tjatjangkir manehanana, ari heësna dina lahoenan manehanana. Parěng eta djalma beunghar kadatangan semah; ari rek njokot ti sapi-dombana sorangan, njaäheun; seg bae njokot anak domba djalma noe miskin teja, dipake njoegoehan ka semahna.” Toeloej Dawoed djadi běndoe langkoeng-langkoeng ka eta djalma; ari lahirna ka Natan: „Děmi djoeměněnging Pangeran! djalma noe migawe kitoe teh mandjing dihoekoem paeh.” Ari pihatoer

Natan ka Dawoed: „Djalma teja nja andjeun! Kijeu timbalan Pangeran: Pamadjikan Oeria koe maneh ditjokot, didjijeun pamadjikan sorangan, děmi djinisna koe maneh dipeuntjit koe lantaran pedang oerang Amon. Mana ajeuna kami ka maneh rek ngadatangkeun katjilakaän ti bangsa maneh sorangan.” Ngalahir Dawoed ka Natan: „Kaoela tarima dosa ka Pangeran.” [ 181 ]Pihatoer Natan ka Dawoed: „Sawangsoelna dosa andjeun koe Pangeran geus dileungitkeun; andjeun moal koengsi poepoes. Nanging, sarehing andjeun djadi sabab moesoeh Pangeran pada ngagogoreng tina lampah kitoe, noe mawi eta poetra, noe koe Batseba anjar diowokeun, tanwande paeh. Tidinja eta orok pajah pisan, seug paeh. Sanggeus kitoe Batseba ngowokeun deui hidji poetra paměgět, sarta koe Dawoed didjěněnganan Soeleman. Ari eta teh dipikaäsih koe Pangeran; sarta Pangeran miwarang nabi Natan, ngěmban timbalan, djěněnganana dilandi Jědidya (těgěsna Kakasih Pangeran).

3. Samantas Dawoed disoempingan nabi Natan, pěrkawis dosana teja, koe andjeunna didaměl Djaboer 51, anoe kijeu oenina: „Moegi aja sih-koernija ka koering, noen Allah! noemoetkeun kaäsihan andjeun; moegi ngaleungitkeun kamasijatan koering, noemoetkeun kagèdean kawělasan andjeun! Moegi koering haben dikosok, dileungitkeun kadorakaän koering; nja moegi koering diběrěsihan, dieuweuhkeun dosa koering. Sabab koering geus roemasa kamasijatan koering, sareng dosa koering ngagelar di hareupeun koering teu pētot-pelot.....Salěrěsna koering didjoeroekeun teh mawa kadorakaän, sareng koering direuneuhkeun koe indoeng teh mawa dosa....Moegi meungpeunan pameunteu andjeun kana dosa-dosa koering, sareng moegi leungitkeun sadajana kadorakaän koering. Moegi di djero koering djadikeun hate běrěsih, noen Allah! sareng moegi nganjarkeun roh pageuh sadjero awak koering. Moegi koering oelah dipitjeun ti pajoeneun andjeun, sareng Roh andjeun noe soetji moegi oelah ditjandak ti koering.”


§ 68. Absalom djeung Seba.

(2 Sam. 13-20.)

1. Pangandika Allah, jen bakal datang katjilakaän ka Dawoed ti bangsana sorangan, tereh boekti. Karana poetra Dawoed anoe ngaran Absalom maehan saderekna anoe ngaran Amnon. Noe matak kitoe, sabab Amnon geus maksa ka saderekna noe istri, [ 182 ]ngaran Tamar, anoe saiboe djeung Absalom. Toeloej Absalom ngalolos, teu papěndak djeung ramana lima taoen lilana. Tidinja Joab mangnědakeun inja ka radja, seg salahna dihampoera. Děmi di sabangsa Israil taja djalma noe kasep tjara Absalom, liwat saking nja dipoedji; ti sěmět dampal soekoena těpi ka ěmboen-ěmboenanana taja pisan koetjiwana. Sarta lamoen diparas sirabna (ari diparasna teh saban-saban těpoeng taoen) beuratna ramboetna 200 sekel. Ari Absalom njadijakeun pikeun pribadina hidji kareta djeung koedana, sarta 50 djalma noe loempat ti heulaeunana. Djeung deui Absalom isoek-isoek sok dangdan, toeloej ngaděg sisi djalan ka lawang kori. Ari geus kitoe, satijap-tijap aja djalma noe boga oeroesan, sědja ngadeuheus ka radja, něda běběněran, seug koe Absalom disaoer, sarta dipariksa: „Maneh ti mana nja nagara? Masing njaho, pěrkara maneh hade nja běněr; tatapi maneh ti radja moal manggih noe ngoeroeskeun. Naha moen kaoela didjijeun hakim dina tanah! soepaja sakoer djalma noe boga oeroesan atawa pěrkara pada datang ka kaoela; koe kaoela tangtoe diběněrkeun.” Sarta satijap-tijap aja noe njampeurkeun, sědja njěmbah ka andjeunna, geuwat andjeunna njodorkeun panangan, njamboet ka eta, bari seug ditjijoem. Kitoe bae lampah Absalom ka sakabeh oerang Israil; djadi maling hate oerang Israil. Hidji waktoe Absalom dangdan, bral mangkat ka Hebron, sarta aja 200 djalma ngariring. Djeung deui Absalom miwarangan anoe abewara di sakabeh kaom Israil, kijeu pokna: „Samangsa maraneh ngadenge sada sangkakala, koedoe njarěboet: Absalom djoeměněng radja di Hebron.” Ari sakaitna djadi pohara, da djalma-djalma beuki loba beuki loba. Samalah Ahitopel, pangrěmpagan Dawoed, koe Absalom diala ti nagarana. Ari pirěmpoeg Ahitopel anoe dioetjapkeun dina mangsa eta, geus kawas nanja ka pangandika Allah bae. Děmi Hoesai, sobat Dawoed, ngadeuheus ka Absalom, poera-poer sakait djeung eta; saěnja-ěnjana mah datangna pikeun ngaboeroengkeun pirěmpoeg Ahitopel teja. Sarta Amasa koe Absalom diangkat njěkěl balad. [ 183 ] 2. Hol aja noe ngoeninga ka Dawoed, pioendjoekna: „Noen, hate oerang Israil noeroet ka Absalom.” Toeloej Dawoed nimbalan ka sakabeh abdi-abdina: „Geura darangdan, hajoe oerang ngalolos, karana moal aja noe pirahajoeëun ti Absalom.” Tidinja radja meuntas tji Kidron, nandjak dina tandjakan goenoeng Djetoen, nandjakna bari nangis, sarta mastakana ditjindoeng, djeung angkatna teu taroempah-taroempah atjan; kitoe deui sakabeh djalma noe ngiring, pada ditjindoeng sirahna sarta tjeurik. Barang Dawoed geus rada madjeng, hol hidji djalma, kaäsoep bangsa ahli Saoel, ari ngaranna Simi. Eta měntoeran koe batoe ka Dawoed, bari njapa, kijeu pokna: „Eh toekang ngoetjoerkeun gětih, djalma bangkawarah, geura djor, geura los! Sakabeh gětih bangsa Saoel koe Pangeran dibalikkeun ka maneh. Tah, maneh teh tjilaka, sabab maneh toekang ngoetjoerkeun gětih.” Pok Abisai, saderek Joab, oendjoekan ka radja: „Keur naon eta andjing paeh dek njapa ka goesti sang radja? Abdi něda idin, dek nilas hoeloena.” Děmi lahiran radja: „Keun bae njapa oge, da manehanana ditimbalan koe Pangeran: Geura njapa ka Dawoed.”

Dawoed keur leutik manah, sabab aja boedirasa tina dosana. Kitoe noe matak teu kérsaeun njiksa ka Simi. Sanadjan kitoe Simi migawe dosa gede, sabab njapa ka lisahan Pangeran, sarta lila-lila manehna keuna pisan siksaän.

3. Děmi Absalom djeung sakabeh djalma-djalma, oerang Israil, daratang ka Jēroesalem. Tidinja Ahitopel mihatoer ka Absalom: „Manawi roedjoek, simkoering rek milih 12,000 djalma, sědja dangdan, ladjěng ngoedag, njoesoel Dawoed, ĕngke peuting; koe simkoering dek didatangan meungpeung andjeunna tjape sarěng ngeplek leungeun.” Ari pihatoer noe bijeu teh piběněreun koe pangrasa Absalom. Geus kitoe Absalom njaoer: „Geura tjeloekan deui Hoesai, oerang dengekeun omong eta deui.” Ari pihatoer Hoesai ka Absalom teh: „Andjeun langkoeng oeninga ka rama andjeun sarěng ka djalma-djalmana, estoe sadajana djalma prawira; malah rama andjeun pradjoerit, moal koelēm [ 184 ]sareng bala. Mana ari pirěmpoeg simkoering: saena dikoempoelkeun ka andjeun sabangsa Israil, sarěng salira andjeun kědah angkat djoerit. Ladjěng abdi sadaja bade ngadatangan ka dinja; ari dirina sarěng sadajana djalma noe ngareudjeungan, hidji oge moal aja noe dikarikeun.” Pok njaoer Absalom: „Pirěmpoeg Hoesai leuwih hade ti batan pirěmpoeg Ahitopel teja.” Mangsa Ahitopel těrangeun, jen pirěmpoegna hanteu dilampahkeun, seug ngagantoeng maneh, hos paeh.

4. Tidinja Dawoed ngaloris bala noe ngiring, sarta andjeunna kérsa miloe boedal. Děmi pihatoer bala: „Andjeun mah montong angkat, karana andjeun nandingan koering salaksa.” Tidinja radja nimbalan ka para kapala balad: „Sing saneh ka eta boedak, ka Absalom!" Ari bala teh boedal ka těgal, manggihan Israil; děr pěrang di leuweung Epraim. Toeloej bala Israil areleh di

[ 185 ]dinja di hareupeun abdi-abdi Dawoed. Ari Absalom toenggang bigal, seg bigal teh datang ka hidji kijara gěde, boes ka handapeun dahan noe kekep; heug sirah Absalom njělap kana eta kijara, djadi ngagawing di antara langit djeung boemi; ari bigalna kėbat. Toeloej Joab njandak djamparing tiloe siki, pek ditjotjogkeun kana manah Absalom. Toeloej nijoep sangkakala, seug bala teh balik, eureun ngoedag njoesoel Israil. Geus kitoe, ari Dawoed ngadangoe bedja Absalom poepoes, njeblak radja teh, lahirna kijeu: „Eh anaking Absalom! ěh anaking Absalom! anggoer ama paeh nalangan ěnoeng!”

5. Sanggeus kitoe radja moelih, sarta dongkap ka tji Jordan. Ari oerang Joeda mapagkeun radja, meuntaskeun radja ka tji Jordan. Boeroeboel sakabeh perang Israil ngadareuheusan ka radja, sarta aroendjoekan: „Koe naon andjeun dipaling koe doeloer-doeloer koering, oerang Joeda, bari seug meuntaskeun radja ka tji Jordan?” Ngadjawab sakabeh oerang Joeda ka oerang Israil teh, sarta omongan oerang Joeda heuras ti batan omongan oerang Israil. Paréng di dinja aja hidji djalma bangkawarah, ngaranna Seba, oerang Binyamin; eta seg nijoep sangkakala, bari ngomong: „Oerang mah teu boga doeoeman ka Dawoed, sarta teu boga milik ka anak Isai teh.” Broel sakabeh oerang Israil indit ti poengkoereun Dawoed, pada noeroet ka Seba teja; tatapi oerang Joeda mah ngarakětan ka radjana, ti tji Jordan těpi ka Jēroesalem. Toeloej radja nimbalan ka Amasa: „Kami pangngoempoelkeun oerang Joeda, seg maneh koedoe djonghok di dijeu. Ari Joab djeung djalma-djalmana pada boedal ti Jeroesalem, dek ngoedag njoesoel Seba. Eukeur di djalan Amasa amprok djeung Joab. Pok Joab misaoer ka Amasa: „Adi koemaha, damang?" Sarta newak djanggot Amasa, sigana dek njijoem. Pek pědangna ditoeblěskeun ka beuteung Amasa; toeloej bae paeh. Děmi Seba eukeur di nagara Abel; seug eta nagara koe Joab dikěpoeng. Ari oerang Abel pada noeroet pirěmpoeg hidji awewe pintěr, noe aja dị djěro nagarana; pek Seba koe maranehanana ditilas hoeloena, bari seug dialoengkeun ka Joab. [ 186 ]Toeloej Joab nijoep sangkakala, geus kitoe boebar ti eta nagara, balik sahimah-himahna. Ari Joab moelih ka Jéroesalem, ka radja.

§ 69. Panoengtoengan Dawoed.
(2 Sam. 24; 1 Radja 1, 2.)

1. Tidinja Setan indit, ngarah ka Israil, seug ngangsonan Dawoed milang Israil. Toeloej radja marentah ka Joab: „Maneh geura ngaronda sakabeh kaom Israil; koedoe ngaloris djalma-djalma, sangkan kami njaho bilangan djalma-djalma. Ari pioendjoek Joab: „Goesti sang radja! eta sadajana lain abdi salira goesti? koe naon noe mawi goesti aja pamoendoet kitoe?” Děmi pilahir radja njilěpkeun ka Joab. Toeloej Joab djeung para kapala balad ka loewar ti pajoeneun radja, ngaloris djalma-djalma bangsa Israil. Ari Israil aja 800,000 djalma pěrkosa noe njikěp pědang, sarta oerang Joeda aja 500,000 djalma. Děmi Lewi djeung Binyamin mah koe Joab teu diloris; karana Joab giroekeun ka eta timbalan radja. Toeloej Dawoed ratoeg manahna. Pok Dawoed oendjoekan ka Pangeran: „Abdi teh langkoeng-langkoeng nja dosa, migawe kitoe.” Barang Dawoed tanghi wantji isoek, aja pangandika Pangeran ka nabi Gad. Bral Gad teh ngadeuheus ka Dawoed, sarta ngoeninga ka andjeunna, kijeu pihatoerna: „Andjeun hajang didatangan patjéklik 7 taoen di satanah andjeun? atawa hajang kaboer 3 boelan koe moesoeh andjeun tina koe eta dioedag? atawa hajang pagěboeg 3 poë di satanah andjeun?” Ari lahiran Dawoed ka Gad: „Kaoela teh soesah katjida; měnding oerang laboeh ka panangan Pangeran bae, karana gěde pisan piwělasna; hajang celah laboeh ka leungeun manoesa.”

2. Seug Pangeran ka Israil maparin pagěboeg; aja 70,000 djalma noe paeh. Barang malaikat njodorkeun panangan ka Jéroesalem, dek diroeksak, seug Pangeran handjakaleun koe hal katjilakaän teja, sarta nimbalan ka malaikat: „Meudjeuh, ajeuna tjitjingkeun leungeun maneh.” Ari malaikat Pangeran teh ajana di lebah pangirikan Arawna, oerang Jeboes (di goenoeng Moria). Ana Dawoed tjěngkat sotjana, beh ningali eta malaikat [ 187 ]Pangeran, keur ngaděg di antara langit djeung boemi, sarta pananganana njěkėl pēdangna beunang matěk, geus disodorkeun ka loehoereun Jēroesalem; broek Dawoed njoeoeh, pok oendjoekan ka Pangeran: „Salěrěsna abdi noe gadoeh dosa, sarēng abdi noe milampah bengkok teh; doepi eta mah, domba-domba teja, migawe naon? Noen Pangeran, Allah abdi! panangan andjeun moegi sina toeměrap ka diri abdi bae, sarěng ka saeusi imah poen bapa.” Bral Dawoed djéngkar, noemoetkeun lahiran Gad, sakoemaha timbalan Pangeran; prak ngadaměl hidji altar bade ka Pangeran di pangirikan Arawna teja, sarta ngoerbankeun koerban bari sasambat ka Pangeran; ari koe Pangeran andjeunna diwalon koe seuneu ti langit dina altar koerban doeroekan. Dina mangsa eta Dawoed sok ngoerban di dinja, sarta nimbalan: „Ijeu teh pipěrnaheun gědong Pangeran.”

3. Ari radja Dawoed geus sěpoeh, seug Adonia, adi Absalom, moendjoelkeun maneh, pokna: „Aing anoe bakal radja.” Toeloej pasini djeung Joab sarta djeung panghoeloe Abjatar; nja eta pada noeloeng ka dinja. Eta koe nabi Natan dipaparin oeninga ka Dawoed. Toeloej radja nimbalan, Soeleman koedoe diminjakan koe panghoeloe Sadok; sanggeus kitoe Sadok djeung Natan koedoe narijoep sangkakala, bari njarěboet: „Sing salamět radja Soeleman.” Ari geus kitoe Adonia djeung sakoer anoe reureudjeungan ka andjeunna pada rareuwaseun; pek Adonia mangkat, bari toeloej njěkěl tatandoekan altar. Timbalan Soeleman ka dinja: „Geura moelang ka imah maneh; oepama nandakeun maneh djalma sadjati, boeoek salambar oge moal ragrag ka boemi.”

4. Ari joeswa Dawoed geus deukeut ka poepoes; tidinja andjeunna wowěkas ka Soeleman poetrana, kijeu lahirna: „Ajeuna ama rek mijang, njorang djalan saeusi boemi; mana maneh koedoe masing těgěr sarta sing djadi lalaki. Djeung koedoe ngadjaga kana djagaän Pangeran, Allah maneh; sing ngestoekeun timbalanana, sakoemaka noe kaoengělkeun dina Toret Moesa; sangkan Pangeran ngaboektikeun pangandikana, noe koe [ 188 ]andjeunna diandikakeun hal diri ama, kijeu pangandikana: Moal pikapenggěleun djalma, dijoek dina korsi karadjaän Israil. Djeung deui maneh teh njaho anoe dilampahkeun ka ama koe Joab, noe koe eta dilampahkeun ka noe doewa kapala balad Israil, (nja eta Abner djeung Amasa) noe pada dipaehan koe manehanana dina mangsa kērta. Sarta masing ingět, di maneh aja Simi; eta teh njapa ka ama, njogok pisan panjapana, basa poëan ama kaboer teja. Děmi ajeuna, koe maneh oelah diangkěn teu dosa; karana maneh teh djalma pintěr; boeoekna noe hoewisan sina toeroen kana koeboer kalawan gětih.”

5. Djeung deui Dawoed njaoer Soeleman, sarta dipiwarang ngadaměl hidji gědong pikeun Pangeran, Allah Israil; kijeu timbabanana: „Ama geus njawiskeun keur gědong Pangeran, ēmas, perak, tambaga djeung beusi, estoe loba nakěr. Geura dangdan, prak digawe, sarta moegi-moegi Pangeran njarěngan ka maneh.” — Seug Dawoed ka Soeleman maparin tjonto gědong, kitoe deui tjonto saniskara noe aja dina manah andjeunna koe Roh. Ari djalma noe loba pada soeka pribadi njanggakeun ka Pangeran djeung soehoedna hate; malah radja Dawoed ge boengah, langkoeng-langkoeng boengahna, sarta sapakoempoelan pada njoekoerkeun ka Allah. – Tidinja Dawoed koelēm reudjeung karoehoenna, sarta dikoerébkeun di dajeuh Dawoed. Ari lawasna Dawoed ngaradjaän ka Israil, 40 taoen. (Taoen 1055 — 1015 memeh Kristoes diowokeun).

Katěrangan. Dawoed teh karoehoen Kristoes moenggoehing daging (§ 60, 1). Malah - malah djadi kalangkang Kristoes, djeung deui geus miwědjang moenggoeh andjeunna, Dawoed teh djadi kalangkang Kristoes, karana saperti Kristoes misti njorang djalan kahandapan sarta njandang sangsara pikeun asoep kana kamoeljaänana, nja kitoe oge Dawoed Djorang loba kasoesah sarta sangsara samemeh Ajadi radja. Djeung deui sapěrti moesoeh-moesoeh oemat Allah koe Dawoed diëlehkeun, nja kitoe Goesti Jesoes Kristoes oenggoel ka oerang kapir. Saperti Pangeran geus milahirkeun ka Dawoed „pěrkawis bangsana anoe těbih ka pajoenna," nja kitoe Dawoed miwědjang lantaran Roh tina radja anoe měngke, anoe pidjadieun Poetra Dawoed sarěng Goesti Dawoed. Ari kijeu lahirna Djaboer 2: Maneh teh [ 189 ]
poetra kami; nja poë ijeu kami koe maneh dijoegakeun. Geura menta ka kami, tangtoe maneh koe kami dipaparin oerang kapir, djadi milik maneh; kitoe deui satoengtoeng boemi djadi bobogaän maneh. Geura pada njijoem ka poetra, oelah datang ka ngaběndon, tanwande maraneh laleungit nja djalan.” Dina Djaboer 22 Dawoed miwedjang tina sangsara Kristoes; kijeu lahirna: „Eh Allah koering! Allah koering! naha mana koering ditilarkeun koe andjeun? Leungeun saréng soekoe koering koe eta ditiir. Pada ngabagikeun papakean koering sarěng batoer-batoerni, sarëng djoebah koering pada ngalotě reken koedadoe.” Dina Djaboer 110 dipiwėdjang tina karadjaän sarta kapanghoeloean Kristoes anoe langgeng; kijeu lahirna: „Lahiran Pangeran ka Goesti koering: Geura tjalik di katoehoeëun kami, datang ka moesoeh-moesoeh andika koe kami didjijeun djodjodog pikeun soekoe andika. Pangeran geus soempah, sareng moal pikadoehoengeun: Andika teh Panghoeloe salalanggengna, sakoemaha panata Melkisidik.

§ 70. Soeleman djoeměněng radja.
(1 Radja 2-4.)

1. Děmi Soeleman teja tjalik dina panglinggihan Dawoed ramana. Tatapi Adonia kongkol deui, soepaja djadi radja. Toeloej Soeleman miwarang koedoe dipaehan; seug Adonia paeh. Djeung deui radja nimbalan ka panghoeloe Abjatar: „Maneh geura moelang ka Anatot, ka kěbon maneh, karana maneh teh mandjing dihoekoem pati; tatapi maneh koe kami moal dipaehan poë ijeu, tina sabab maneh ngagotong pěti Goesti Pangeran, djeung tina sabab maneh bela sangsara dina sakabeh kasangsaraän rama kami.” Djadi Abjatar teh koe Soeleman didjongklokkeun tina djěněng panghoeloe Pangeran; soepaja kalaksanakeun pangandika Pangeran, noe diandikakeun tina hal bangsa Eli di Silo teja (§ 58, 2, 3). Ari panghoeloe Sadok koe radja diangkat ngaganti Abjatar. Ari bedjana datang ka Joab. Toeloej Joab kaboer ka himah Pangeran, sarta njěkěl tatandoekan altar. Děmni Soeleman nimbalan, seug Joab dipaehan. Geus kitoe radja miwarangan ngala Simi teja; toeloej ditimbalan kijeu: „Maneh [ 190 ]koedoe matoeh di Jěroesalem, sarta oelah ka mana-mana; karana samangsa maneh ka loewar, saestoena maneh dipaehan.” Wangsoelan Simi ka radja: „Lěrěs pangandika; sakoemaha lahiran Goesti sang radja, nja kitoe abdi gamparan sědja milampah.” Děmi geus meunang tiloe taoen, hidji waktoe doewa badega Simi maringgat. Pek Simi dangdan, bral leumpang ka Gat, nejangan badegana. Toeloej moelang, seug ditimbalan koe radja: „Na koe naon maneh teu nětěpkeun eta soempah ka Pangeran teh, kitoe deui parentah, anoe koe kami diparentahkeun ka maneh teja? Koe Pangeran kagorengan maneh dibalikkeun ka diri maneh.” Toeloej radja marentah, seug Simi dipaehan.

2. Ari Soeleman teh asiheun ka Pangeran, djeung ngalakonan pikoekoeh Dawoed ramana. Hidji mangsa radja angkat ka Gibon, kérsa ngoerban di dinja. Di Gibon teh Pangeran nembongan ka Soeleman, dina impian ti peuting; ari timbalan Allah: „Geura menta, hajang dipaparin naon koe kami?" Pioendjoek Soeleman: „Noen Pangeran, Allah abdi! abdi teh koe andjeun geus didaměl radja ngagentos poen bapa Dawoed; nanging abdi teh boedak leutik, tatjan těrang pěrkawis ka loewar asoep. Koe pěrkawis eta, moegi-moegi abdi dipaparin hate soerti, pikeun ngahakiman oemat andjeun.” Ari eta pioendjoek hade di pajoeneun Goesti. Nimbalan Allah ka andjeunna: „Sapedah maneh menta pěrkara kitoe, lain menta keur diri maneh oemoer pandjang, lain menta kabeungharan: masing njaho, kami teh ngadaměl sakoemaha omongan maneh; saěnjana kami teh ka maneh geus maparin hate pintěr sarta ngarti; ti heulaeun maneh taja noe nandingan, kitoe deui pandeurieun maneh moal aja noe nandingan. Samalah anoe hanteu dipenta ge koe maneh, koe kami geus dipaparinkeun ka maneh, bagija kabeungharan, bagija kamoeljaän. Sarta oepama maneh ngalakonan djalan kami, sakoemaha Dawoed, bapa maneh, tangtoe koe kami dipandjangkeun oemoer maneh ongkoh.”

3. Mangsa eta aja doewa awewe, ngadeuheusan ka radja. Pok awewe noe hidji oendjoekan: „Noen goesti, abdi sareng [ 191 ]ijeu batoer tjitjing saimah reudjeung. Ari anak ijeu batoer paeh ti peuting, tina sabab kaheumpikan koe manehna. Pek manehna njokot anak abdi ti gigireun abdi, keur waktoe abdi gamparan sasarean, doepi anakna sorangan anoe paeh, dikěděngkeun dina lahoenan abdi. Ari abdi hoedang wantji isoek, sēdja njoesoean poen anak, doemadakan geus paeh; seug koe abdi ditěgěskeun, horeng lain anak abdi.” Ari tjarek awewe noe hidji deui: „Hanteu kitoe; saēnjana noe hiroep teh anak kami, ari noe paeh mah anak maneh.” Nimbalan radja: „Kami pangnjokotkeun pědang!” Seug njanggakeun pēdang ka pajoeneun radja. Toeloej radja nimbalan: „Eta orok noe hiroep teh geura potong, beulah doewa; seg bikeun sabeulah ka saoerang, ari noe sabeulah deui ka saoerang deui.” Pok awewe, indoeng orok noe hiroep teja, oendjoekan deui ka radja, sabab ngěntab kawělasanana ka orokna, kijeu pioendjoekna: „Noen goesti! orok noe hiroep teh paparinkeun ka eta bae, oelah tjijos dipaehan.” Děmi tjarek itoe mah: „Kami oelah boga, maneh oelah boga; pek bae potong!" Ngawalon radja, kijeu timbalanana: „Orok noe hiroep teh bikeun ka eta, oelah waka dipaehan; nja eta indoengna." Ari eta poetoesan, beunang radja moetoes, goernita ka sabangsa Israil; toeloej pada sijeuneun koe radja; karana geus pada waspadaeun, jen radja diajaän kapintěran ti Allah di djero batinna, baris ngoeroeskeun prakara.

4. Ari Soeleman teh moerba ka sakabeh karadjaän ti sěmět bangawan tji Prat, tépi ka tanah orang Pělisti sarta těpi ka watės Měsir; pada ngahatoerkeun pangabakti, djeung ngawoela ka Soeleman saoemoer hiroepna. Sarta andjeunna teh kērta ti sakabeh beulah, ti sakoeriling. Ari Joeda djeung Israil ngěnggonna sěnang ati, hidji-hidji djalma bandapeun tangkalna kondang, ti sěmět Dan tépi ka Berseba. Ari Soeleman teh koe Allah dipaparin kapintěran djeung pangartosan rosa katjida; noe matak andjeunna kamashoerkeun ka sakabeh bangsa sakoe riling. Djeung Soeleman ngalahirkenn 3000 siloka, sarta ari poepoedjianana 1005. Djeung jasaeun ngalahirkeun hal tatang [ 192 ]kalan, ti ki poetri, noe di goenoeng Libanon, tépi ka hisop, noe sok djadi dina tembok; kitoe deui jasaeun ngalahirkeun hal sasatoan, hal manoek-manoek, hal bangsa noe tingkarajap, sarta hal laoek-laoek. Sok aja noe daratang ti sakabeh bangsa, hajang ngadenge kana kapintěran Soeleman.

§ 71. Kabah.
(1 Radja 5-9; 2 Balad 2-6.)

1. Ari Soleman miwarangan ka Hiram, radja Tiroes, mihatoer kijeu: „Pasėdjaän kaoela, dek njijeun hidji gědong bade Pangeran, Allah kaoela. Mana ajeuna, moegi miwarang mang noewarankeun kaoela kai poetri ti goenoeng Libanon; ari abdi-abdi kaoela bakal reureudjeungan sarěng abdi-abdi andjeun, karantěn andjeun langkoeng oeninga, di kaoela taja noe bisa noewar kai sapertos oerang Sidon.” Děmi geus kitoe Hiram boengaheun liwat saking, sarta ngalahir: „Kaoela sědja pisan ngalampahkeun sakahojong andjeun.” Toeloej toekang-toekang Soeleman djeung toekang-toekang Hiram prak ngaroepakeun, njadijakeun kai djeung batoe, baris njijeun eta gědong. Dina taoen 480 ti sanggeus oerang Israil boedal ti tanah Měsir, nja eta dina kaopat taoenna Soeleman ngaradjaän ka Israil, neundeunna paděmen gědong Pangeran, sarta didamělna toedjoeh taoen lilana.

Ari eta gědong (kabah), noe koe Soeleman didaměl bade ka Pangeran, diadégkeun dina "těmpat anoe koe Dawoed dikersakeun (§ 69, 2.) Kabah teh 60 asta palajoena, 20 asta panggěrětna, djeung 30 asta loehoerna. Sagědong teh di djěrona kai poetri, disapoet koe ēmas, sarta di loewar sakoerilingna tembok batoe. Enggon soetji 40 asta palajoena djeung 20 asta panggěrětna; enggon pangsoetji soetjina 20 asta palajoena djeung 20 asta panggěrětna. Keur lawang enggon soetji djeung pangsoetji-soetjina didaměl doewa beulah panto kai djetoen, disapoet ēmas. Sarta Soeleman ngadaměl doewa moemoekarabinan, diajakeun di djero enggon pangsoetji-soetjina, saroepa wongwongan, djeung pada disapoet ěmas; djangkoengna 10 asta, sarta djangdjangna 5 asta, soepaja djangdjang noe sabeulah aděk kana bilik gědong, sarta djangdjang noe sabeulah deui aděk kana djangdjang moemoekarabinan noe [ 193 ]
hidji deui. Pěti pértelaän teja pernah handapeun djangdjang eta moemoekarabinan. Eusina enggon soetji nja tjara di himah tepangan (§ 37); ngan di kabah aja 10 adjoeg ēmas, ngaganti noe hidji anoe dina himah teja. Hareupeun moemoekarabinan, dina lawang, aja hidji reregan aloes. Di hareupeun kabah aja doewa pilar tambaga, noe hidji ti katoehoe, noe hidji deui ti kentja; noe katoehoe dingararan Jakin, ari noe kentja dingarapan Beas. Sakoerilingan tiloe beulah deui eta gédong aja aděgan noe 18 asta loehoerna, make 3 para djeung roepa-roepа pangkeng. Kabah teh aja doewa boeroean, noe hidji (ti hareupeun enggon soetji) keur panghoeloe-panghoeloe. Di dinja aja altar tambaga, 20 asta pandjangna, kitoe deui roebakna, sarta 10 asta loehoerna. Djeung deui aja lalaoetan tjitak, 10 asta sisina tepi ka sisina deui, boeleud pisan, sarta 5 asta loehoerna. Ari sisina saroepa sisi loemoer, tjara këmbang bakoeng. Lalaoetan teja noempang dina 12 sasapian tambaga. Ari gawena keur panghoeloe-panghoeloe, paranti ngoembah. Ari boeroean noe hidji deui (ti hareupeun noe hidji teja) keur djalma noe loba.

2. Geus samakta sakabeh dadamělan. Toeloej dina pesta saoeng bebetek sakabeh oerang Israil koempoel ka radja Soeleman. Seug para panghoeloe ngoenggahkeun pěti Pangeran sarta djeung himah těpangan teja, katoet sakabeh parabot soetji. Tidinja eta pěti diasoepkeun ka enggonna. Geus kitoe barang para pang hoeloe teh baridjil ti ěnggon soetji, hol aja hidji mega, ngeusian eta gědong Pangeran. Toeloej Soeleman ngaděg hareupeun altar Pangeran, bari nadahkeun pananganana ka langit , sarta oendjoekan kijeu: „ Noen Pangeran, Allah Israil! langit, dalah langiting sadajana langit oge, dilinggihan koe andjeun teu asoep; geus soemawonna ijeu gědong, beunang simkoering njijeun. Parandene kitoe, moegi-moegi majoen ka paněda abdi andjeun; ari sotja andjeun moegi-moegi boeka ka ijeu gědong sijang wěngi. Manawi oemat andjeun Israil eleh di hareupeun moesoeh, tina garadoeh dosa ka andjeun, ana ladjeng tarobat ka andjeun bari něněda ka andjeun di ijeu gědong; manawi langit noetoep, hanteu aja hoedjan, sabab eta garadoeh dosa ka andjeun; manawi dina tanah aja patjéklik, moen aja pagěboeg, moen aja hama perang, hama beureum, hama simeut, hama hileud; manawi disěsědek koe moesoehna dina tanah, di nagara-nagarana; naon bae balahi, sareng [ 194 ]naon bae panjakit, naon bae paněda, naon bae panoehoen, anoe datang ti sambarang manoesa, seug andjeun moegi- moegi ngamakboel ti sawarga, sareng moegi ngahampoera. Kitoe děui moenggoehing djalma bangsa lijan, anoe teu kalěbět oemat andjeun Israil, madak datang ti nagara djaoeh, tina sabab padjěněngan andjeun, ana datang ka ijeu gědong sarěng něněda, moegi-moegi andjeun ngamakboel ti sawarga, sareng moegi ngadaměl noeroetkeun saniskantěn anoe mawi eta djalma sasambat ka andjeun; soepaja sadajana bangsa noe di boemi pada nganjahokeun ka padjěněngan andjeun, sangkan pada sijeun koe andjeun sapěrtos oemat andjeun Israil. "Ari parantos něněda ka Pangeran, Soeleman ngaběrkahan ka sapakoempoelan Israil. Tidinja radja djeung sabangsa Israil pada ngoerbankeun koerban peuntjitan ka pa joeneun Pangeran: 22,000 sapi djeung 120,000 domba. Ari Soeleman djeung sabangsa Israil ngalampahkeun pesta 14 poë lilana. Sanggeus kitoe djalma-djalma koe radja didjoeroeng lakoe.

§ 72. Kamoeljaän Soeleman djeung dosana.
(1 Radja 9-11; 2 Bab. 7-9.)

1. Ari geus kitoe, mangsa Soeleman parantos ngadaměl gědong Pangeran, ladjěng Pangeran nembongan ka andjeunna ngadoewa kalian. Ari timbalanana: „Kami geus ngamakboel ka paněda maneh; kami geus njoetjikeun eta gědong, beunang maneh njijeun. Ari maneh teja, oepama maneh loemampah di pajoeneun kami, sakoemaha loemampah Dawoed, bapa maneh, eta kami tangtoe nětěpkeun korsi karadjaän maneh, njangking Israil salalanggéngna. Moal maneh pikapěnggěleun djalma dijoek dina korsi karadjaän Israil. Sabalikna, ari maraneh aloendoer mah ti toekangeun kami, eta kami tangtoe ngabasmi Israil tina tanah; sarta eta gědong, noe koe kami geus disoetjikeun pikeun djěněngan kami, tangtoe koe kami disingkirkeun ti pajoeneun kami.”

2. Ari radja istri tanah Séba (noe pěrnah di Arab) ngareungeu [ 195 ]warta pěrkara Soeleman, hal padjěněngan Pangeran; toeloej angkat kèrsa ngadjadjal ka Soeleman, sědja njoewal. Tidinja soemping ka Jēroesalem, njandak balad rosa katjida. Seug radja istri teh koe Soeleman dipaparin njaho sakabeh soewalna. Barang geus ningali sadajana kapintěran Soeleman, djeung gědong beunang andjeunna ngadaměl, kitoe deui sadajana kamoeljaänana, seug radja istri teh datang ka geus taja pangatjian. Toeloej misaoer ka radja: „Jaktos pisan bedja, noe kadenge koe kaoela dina tanah kaoela, hal pěrkawis salira andjeun sareng hal kapintěran andjeun. Ari eta bedja koe kaoela hanteu dipertjantěn, dongkap ka kaoela tjoendoek sarong nendjo koe panon pribadi; salěrěsna noe diwartakeun ka kaoela teu paro-parona atjan. Bagdja těměn rahajat andjeun; bagdja těměn ijeu abdi-abdi andjeun, noe pada maděp di pajoeneun andjeun teu pěgat-pěgat, anoe pada ngoeping kana kapintěran andjeun. Sagala poedji ka Pangeran, Allah andjeun, anoe misoeka ka andjeun, doemoegi ka ditjalikkeun dina korsi karadjaän Israil! Sabab Pangeran miasih ka Israil salalanggěngna.” Toeloej moendoer, bral moelih ka tanahna, diiring koe abdi-abdina.

Ngalahir Goesti Jesoes Kristoes, Radja istri ti těbeh kidoel teja bakal ngadeuheusan ka hoekoem kijamat bareng djeung ijeu bangsa ajeuna, sarta seug ngahoekoeman ka darinja; sabab geus soemping ti toengtoeng boemi, bawaning hajangeun ngareungeu kana kapinteran Soeleman, padahal anoe ajeuna di dijeu mah leuwih ti batan Soeleman.

3. Djeung deui radja Soeleman ngadaměl kapal di Esion Geber, anoe di sisi laoet Agěr. Tidinja Hiram dina eta kapal ngijangkeun abdi-abdina, oerang kapal, noe njaho di laoet, direudjeungkeun ka abdi-abdi Soeleman. Sadjěro tiloe taoen kapal teh datangna sakali, moewat ěmas-perak, intěn moelja, kai tjandana, gading, monjet djeung měrak. Djadi radja Soeleman teh agoeng pisan, ngoengkoelan sakabeh radja noe di boemi, dina kabeungharan sarta dina kapintěran.

4. Ari radja Soeleman teh asiheun ka pirang-pirang istri bangsa sedjen, kaäsoep bangsa noe koe Pangeran ditimbalkeun [ 196 ]ka orang Israil jen: „Maraneh poma oelah tjampoer ka eta, kitoe deui eta oelah tjampoer ka maraneh.” Da andjeunna kagoengan 700 geureuha, toeroenan radja, djeung 300 parěkan; ari eta istri-istrina matak njimpang manahna. Karana keur mangsa Soeleman geus sěpoeh, seug eta istri-istrina matak njimpang manahna, noeroet ka aällahan; djadi teu soehoed manahna ka Pangeran Allahna, saperti manah Dawoed ramana. Mangsa eta Soeleman ngadaměl ěnggon loehoer pikeun sakabeh istrina noe bangsa sedjen teja, noe pada ngoekoes djeung ngoerban, masing-masing ka aällahan sorangan. Tidinja Pangeran ngaběndon ka Soeleman, mana aja timbalan Pangeran kijeu: „Sapedah maneh teh kijeu nja lalampahan, karadjaän teh koe kami mangke disoëhkeun ti leungeun anak maneh. Tatapi kaom sahidji koe kami rek dipaparinkeun ka anak maneh, tina sabab Dawoed, abdi kami.”

Ari geus kitoe, dina hidji mangsa nabi Ahia prok di djalan patěpang djeung Jarobam, djalma gagah-pěrkosa. Seug Ahia njekěl haroedoem weuteuh, panganggo andjeunna, pek disoëh-soëhkeun, 12 soëhan. Tidinja ngalahir ka Jarobam: „Tampanan koe sampejan ijeu 10 soëhan; karana kijeu timbalan Pangeran, Allah Israil: Masing njaho, kami rek njoëhkeun karadjaän teh ti leungeun Soeleman, seug ka maneh rek maparin 10 kaom. Ari geus kitoe, oepama maneh ngalakonan djalan kami, maneh koe kami rek dipangdamělkeun imah anoe tětěp.” Děmi lawasna Soeleman ngaradjaän di Jeroesalem, 40 taoen (taoen 1015-975 memeh Kristoes diowokeun). Ari andjeunna ngilikan sakabeh dadamělanana, beunang ngadamel pananganana, kitoe deui soesahna, seug kijeu lahirna: „Geuning, kabeh ge sija-sija.” Toeloej Soeleman koelém reudjeung karoehoepna; ari Rěhabam poetrana noe ngaganti djadi radja.

§ 73. Karadjaän disoëhkeun. Jarobam.
(1 Radja 12-17; 2 Bab. 10-16.)

1. Ari geus kitoe sabangsa Israil datang ka Sěkem, doe[ 197 ]meuheus ka Réhabam, kijeu pihatoerna: „Rama andjeun ngabeuratkeun pasangan koering; mana andjeun ajeuna moegi entengan pasangan koering; moen kitoe mah koering pada sědja ngawoela ka andjeun.” Tidinja radja Rěhabam teh rěrěmpagan reudjeung para sěsēpoeh, anoe bakoe maraděp di pajoeneun Soeleman ramana, mangsana keur djoeměněng. Mioendjoek eta ka radja: „Madak andjeun dangět ajeuna ngaboelkeun kahajangna eta djalma-djalma, tinangtos pada ngawoela ka andjeun sapapaosna.” Děmi andjeunna nilarkeun pirěmpoeg para sěsěpoeh teja, seug rěrěmpagan deui reudjeung para nonoman, noe ngagědean bareng djeung andjeunna. Mioendjoek eta: „Sae nimbalan kijeu ka eta djalma-djalma: Rama kami měpěrih ka maraneh koe pangrangket, děmi kami mah dek měpěrih ka maraneh koe langgir.” Seug radja ngawalon ka eta djalma-djalma běngis pisan, nja ngalahir noeroetkeun pirěmpoeg para nonoman teja. Seg djalma-djalma pada ngabalěsan saoer ka radja, kijeu pokna: „Nahaon doeoeman oerang ka Dawoed? satégěsna oerang teu boga milik ka anak Isai teh; geura balik, Israil! sahimah-sahimahna." Tidinja radja Rěhabam miwarang Adoram noe njangking padjég; pek sakabeh oerang Israil maledogan ka dinja koe batoe, toeloej paeh. Ari oerang Israil ngoetoesan ka Jarobam, diala ka padjěmoehan, seug didjéněngkeun radja njangking sabangsa Israil; taja noe noeroet ka bangsa Dawoed, kadjaba kaom Joeda djeung Binyamin bae. Ti watės harita ijeu doewa kaom diseboet karadjaän Joeda; ari sapoeloeh kaom deui diseboet karadjaän Israil.

2. Tidinja Jarobam teh njaoer sadjěro manahna: „Oepama djalma-djalma teh arindit, milampah ngoerban di gědong Pangeran di Jěroesalem, bisi hatena balik deui ka bangsa Dawoed, tangtoe aing dipaehan.” Prak radja ngadaměl doewa sasapian ěmas; geus kitoe ngalahir ka djalma-djalma: „Meudjeuh maraneh indit ka Jeroesalem; tah Israil! ijeu Allah maneh, noe nginditkeun maneh ti tanah Měsir teja.” Seug noe hidji koe andjeunna diteundeun di Bet-El, ari noe hidji deui diteundeun di Dan. [ 198 ](Nja eta di watěs kaler sarta watěs kidoel karadjaän Israil.) Sarta andjeunna ngadaměl imah enggon loehoer, djeung ngadaměl panghoeloe-panghoeloe ti sambarang djalma, noe lain anak-poetoe Lewi. Malah-malah Jarobam ngadaměl pesta dina boelan noe kadalapan, dina tanggal 15, noeroetan pesta noe di Joeda teja. (Saoeng běbětek § 40, 2.) Děmi eta pěrkara djadi matak dosa; karana djalma-djalma laleumpang, njëmbah ka sasapian ěmas teja.

3. Doemadakan, aja hidji piwarangan Allah, soemping ti Joeda ka Bet-El, ngěmban pangandika Pangeran. Kalěrěsan Jarobam ngaděgan altar teja, eukeur ngoekoes. Seug piwarangan teh ngoewarkeun ka eta altar, saoerna: „Eh altar! altar! kijeu timbalan Pangeran: Masing njaho, měngke bangsa Dawoed pimeunangeun hidji anak lalaki, pingaraneunana Josia; nja eta di loehoer maneh tangtoe ngadoeroek toelang manoesa.” (Tenjokeun § 84, 3.) Heg Jarobam njodorkeun pananganana, bari marentah: „Eta geura tangkěp!” Seug pananganana djadi djėgěr, teu kawawaeun moendoerkeun inja ka salirana. Ari altar teja toeloej beulah, sarta lěboena mawoer tina altar. Pok radja misaoer, kijeu saoerna ka piwarangan Allah teh: „Tjik, moegi geura noenoehoen ka pajoeneun Pangeran; nja kaoela moegi pangnědakeun.” Prak noenoehoen; seg panangan radja moendoer deui ka salirana, hade tjara tadi. Misaoer radja ka piwarangan Allah teh: „Mangga djeung kaoela tjalik ka boemi, sěnangkeun adjěngan heula, sarta kaoela ka adjặngan sědja mere gandjaran.” Děmi pihatoer piwarangan Allah teh ka radja: „Sanadjan andjeun ka kaoela kěrsa maparin sabeulah gědong andjeun oge, kaoela moal datang ka andjeun; karana kijeu noe dipiwarang ka kaoela koe pangandika Pangeran, timbalanana: Maneh poma oelah baranghakan, oelah nginoem tjai-tjai atjan dina ijeu ēnggon.” Bral piwarangan teh moelih. Eukeur di djalan seug kasoesoel koe hidji nabi kolot, tjalikna di Bet-El. Toeloej piwarangan teh koe eta diondang daharleueut; seug ngiring. Sanggeus barangdahar, piwarangan teh moelih deui; tidinja, sabab [ 199 ]moengpang ka pangandika Pangeran, di djalan dipaehan koe singa. Sanggeusna pěrkara noe tadi teja Jarobam teh hanteu balik ti djalanna noe goreng.

4. Dina mangsa eta parěng Abia, poetra Jarobam noe lalaki, teu damang. Gantjang garwa Jarobam njamoer, toeloej leumpang ka Silo, ka nabi Abia (§ 72, 4), hajang dipaparin njaho pitěmaheunana eta boedak. Ari Ahia teh geus teu jasaeun ningali, tina kasěpoehanana. Mangsa ngadangoe keresek dampalna, keur barang lěbět kana lawang, pok Ahia ngalahir: „Eh, bodjo Jarobam! ka dijeu, asoep; keur naon andjeun poera-poera awewe sedjen? karana kaoela dipiwarang ngadatangkeun ka andjeun bedja bangět. Djig moelang, bedjakeun ka Jarobam: kijeu timbalan Pangeran, Allah Israil: Sapedah maneh migawe goreng, njijeun aällahan keur sěsěmbaheun maneh, koe sabab eta kami rek ngabasmi bangsa Israil. Mana andjeun geura dangdan, djig moelang; dimana soekoe andjeun geus datang ka nagara, boedak teh pipaeheun; karana bangsa Jarobam teh ngan eta bae noe piasoepeun kana koeboer; sapedah di bangsa Jarobam teh ngan di djěro eta bae kapěndak noe hade di pajoeneun Pangeran." Tidinja, barang garwa Jarobam dongkap ka golodog gědongna, seug moerangkalih teh maot.

5. Jarobam poepoes sarta diganti koe Nadab poetrana. Eta

ngaradjaän ka Israil 2 taoen, toeloej dipaehan koe Baäsa. Geus kitoe Baäsa djadi radja, sarta milampah noe goreng di pajoeneun Pangeran. Kitoe noe matak bangsana dibasmi. Ari geus kitoe Omri djadi radja. Eta ngadaměl nagara Samaria. Děmi Omri teh migawe noe goreng di pajoeneun Pangeran; ari migawena goreng teh ngaleuwihan ti sakabeh noe heulaeun andjeunna. Toeloej Omri poepoes, ari Ahab poetrana noe ngaganti djadi radja. Děmi Ahab teh ngalakonan dosa-dosa Jarobam; katoeroeg-toeroeg geureuhaän ka Isebel, poetra radja perang Sidon; toeloej angkat, ngabakti ka Baäl, sarta njěmbah ka dinja. Djeung andjeunna ngaděgkeun hidji altar keur Baäl di djěro gědong Baäl, beunang andjeunna ngadaměl di Samaria. [ 200 ]

§ 74. Elias, oerang Tisbe.
(1 Radja 17-19.)

1. Hidji waktoe Elias oerang Tisbe ngalahir ka Ahab: „Děmi djoeměněnging Pangeran, Allah Israil, noe diparěk koe kaoela di pajoeneunana! moal aja tji iboen atawa hoedjan mangtaoen-taoen, kadjaba moen aja omong kaoela.” Ari geus kitoe aja pangandika Pangeran ka Elias: „Geura leumpang ti dijeu, koedoe njoempoet di waloengan Kěrit; sarta kami geus miwarang gagak, sina njaroekoepan ka maneh di dinja.” Bral Elias angkat; heg koe gagak-gagak andjeunna dianteuran roti djeung

laoek; sarta ngaleueutna ti eta waloengan. Ari geus kitoe, meunang sababaraha lilana, seug waloengan teja saät. Toeloej aja deui pangandika Pangeran ka Elias: „Geura dangdan, toeloej leumpang ka nagara Sarpat, noe kabilang ka Sidon teja; [ 201 ]masing njaho, kami geus miwarang hidji randa di dinja njoekoepan ka maneh.” Prak Elias dangdan, toeloej angkat ka Sarpat. Barang dongkap ka lawang eta nagara, doemadakan, di dinja aja hidji randa keur ngarorotek soeloeh; seug koe Elias disaoer, sarta dilahiran kijeu: „Tjing, kami pangnjokotkeun tjai saeutik djeung roti sahoewapeun ongkoh.” Ari pioendjoekna: „Děmi djoeměněnging Pangeran, Allah andjeun! koering teu pisan gadoeh beubeuleuman, ngan gadoeh tipoeng sakeupeul sarawoeh minjak saeutik; dek disadijakeun keur diri koering kadoewa poen anak lalaki, sědja narėda, ladjặng paraeh.” Děmi lahiran Elias ka dinja: „Tipoeng noe dina gotji moal njoedaän, sarta minjak noe dina botol moal ngoerangan, těpi kana poëan Pangeran maparin deui hoedjan ka boemi.” Bral awewe teh moelang, sarta milampah salahiran Elias, sarta boekti pangandika Pangeran, noe diandikakeun koe lantaran Elias teja. Ari geus kitoe, parěng awewe noe boga imah teja anakna gěring, toeloej paeh. Pok awewe teh oendjoekan ka Elias: „Ěh, piwarangan Allah! koemaha andjeun soemping teh ka koering, bade ngemoetkeun kadorakaän koering?" Pek anakna koe Elias ditjandak, bari seug dikeděngkeun dina pangkoelēman andjeunna. Tidinja Elias nangkoebkeun andjeun dina eta boedak, tiloe kali, bari sasambat ka Pangeran. Ari eta paněda Elias koe Pangeran dimakboel; seug njawa eta boedak balik deui ka djasadna, toeloej hiroep deui.

2. Ari geus kitoe, lawas ti lawas aja deui pangandika Pangeran ka Elias, dina taoen anoe katiloe, kijeu pangandikana: „Geura leumpang, koedoe nembongan ka Ahab; eta kami rek maparin deui hoedjan ka boemi.” Bral Elias angkat, sědja nembongan ka Ahab. Ari geus dongkap, pok misaoer ka andjeunna: „Ajeuna geura ,miwarang, koempoelkeun ka kaoela sabangsa Israil ka goenoeng Karmel; geus poegoeh nabi Baäl noe 450." Prak Ahab ngalampahkeun kitoe. Tidinja Elias ngadeukeutan ka eta sakabeh djalma-djalma, bari ngalahir: „Sabaraha pililaeunana deui maraneh nja rek loewak-lejok, midoewa pikir? Oepama Pangeran teja [ 202 ]Allah, geura aranoet ka andjeunna; sabalikna, oepama Baäl mah, geura naroeroet ka dinja.” Děmi eta djalma-djalma teu ngawangsoel ka andjeunna sakėtjap-kětjap atjan. Ngalahir deui Elias: „Ijeu kami sorangan noe kari nabi Pangeran; děmi nabi Baäl mah 450 djalma. Tjing, ka kami djeung ka eta bere doewa sapi ngora pikoerbaneun. Seug maraneh geura pada sasambat ka ngaran aällahan maraneh; ari kami mah rek sasambat ka padjěněngan Pangeran. Děmi geus kitoe, mana-mana Allah noe pingawaloneun koe seuneu, nja eta saestoena Allah.” Ngawangsoel sakabeh djalma: „Sae eta kasaoeran.” Toeloej nabi-nabi Baäl teh pek njarokot sapi sahidji, sarta dipětakeun sakali; toeloej pada sasambat ka ngaran Baäl, ti isoek těpi ka těngah poë, aromongna: „Noen, Baäl! moegi geura ngawalon ka koering sadaja.” Tapi hanteu datang sowara, djeung taja noe ngadjawab. Malah pada leumpang rěrěntjodan, ngoerilingan altarna noe didjijeun. Ari geus kitoe, wantji těngah poë seug Elias goegoejon ka maranehanana, lahirna: Sing barědas nja sasambat; wantoe batara eta teh; meureun keur tapakoer, atawa keur ka tjai, atawa keur njaba; palangsijang keur sasarean eta teh, měngke lilir.” Toeloej pada sasambat deui, bědas pisan sowarana, sarta bari naroerihan maneh, sakoemaha adatna, koe peso djeung kẽris, wani awakna ka loewar gětih; tapi teu datang sowara, djeung taja djawabna, sarta taja tandana ngadenge. Ari kasorenakeun, wantji ngoerbankeun koerban kadaharan di kabah Pangeran, Elias njandak batoe 12 siki, dianggo ngadaměl altar; sarta altar teh dikamaliran sakoeriling. Tidinja natakeun soeloeh, sarta sapina dipotong, bari seug diteundeun dina soeloeh. Toeloej ditjitjikeun tjai kana koerban, wani ngotjor sakoeriling altar; samalah kamalirna pinoeh koe tjai. Ari geus kitoe oendjoekan kijeu: „Noen Pangeran, Allah Ibrahim, Isak sareng Israil! moegi-moegi dinten ijeu masing boekti, jen andjeun teja Allah di Israil, sarěng simkoering teh abdi andjeun. Moegi geura ngawalon, noen Pangeran! moegi geura ngawalon.” Bloeg ragrag seuneu ti Pangeran, ngahakan eta koerban doeroekan; malah tjai noe dina kamalir teja kaletak [ 203 ]wani bejak. Barang eta sakabeh djalma nendjo kitoe, brěk pada njoeoeh, bari njarěboet kijeu: „Nja Pangeran noe djoeměněng Allah! nja Pangeran noe djoeměněng Allah!” Pek eta nabi-nabi Baäl ditarangkép; seug koe nabi Elias digiring, disina toeroen ka tji Kison, bari toeloej dipareuntjit di dinja, noeroetkeun timbalan Allah, jen sakoer oerang Israil noe njěmbah ka brahala koedoe dihoekoem paeh. Tidinja Elias ngalahir ka Ahab: „Geura angkat; karana aja sora ngagoeroeh hoedjan.” Seug Elias nimbalan ka gandekna, toedjoeh kali: „Geura oenggah, koedoe ngilik ka těbeh laoet.” Ari geus kitoe, dina katoedjoeh kalina pok oendjoekan gandek teh: „Noen soemoehoen, aja hidji mega leutik, sagěde leungeun djalma, oenggah ti laoet.” Ari geus kitoe, teu sabaraha lilana langit geus poëk koe mega djeung angin; goer hoedjan gěde. Děmi Ahab toenggang kareta, moelih ka Jisrel, sarta Elias bral moeroe ti pajoeneun Ahab, sarta dongkap ka Jisrel.

3. Ari Isebel ngadangoe wartos tina sadajana noe dilampahkeun koe Elias, seug ngarah kana patina. Pek Elias dangdan, toeloej angkat ka těgal lėga. Geus dongkap, gek tjalik handapeun hidji tangkal harendong, ari pioendjoekna: Geus meudjeuh ajeuna; noen Pangeran! moegi tjandak pati simkoering.” Doeg ebog, toeloej koelěm handapeun tangkal teja. Doemadakan, aja hidji malaikat noël ka andjeunna, bari ngalahir ka andjeunna: „Geura boedang, dahar! karana djalan djaoeh keneh pidjalaneun sampejan.” Ana ngareret, beh ti mastakaeunana aja koeweh sasiki dina piroenan, sarta aja hidji kěndi dieusi tjai. Neut tanghi, toeloej dahar leueut; geus kitoe angkat koe matihing eta kadaharan, lilana 40 poë 40 peuting, dongkap ka goenoeng Allah, goenoeng Horeb teja.(¹) Toeloej lěbět di dinja kana hidji goeha; seug koelěm di dinja. Doemadakan, aja pangandika Pangeran ka andjeunna; ari pangandikana ka andjeunna: „Lampah naon maneh aja di dijeu, Elias?” Pioendjoekna: „Noen, poerwana simkoering teh goemati langkoeng-langkoeng pěrkawis Pangeran, karantěn oerang Israil geus pada [ 204 ]ninggalkeun pěrdjangdjian andjeun; ngan kantoen simkoering pribadi, sarěng pada ngarah pati simkoering, karepna dek ditjokot.” Děmi timbalanana: „Geura bidjil, koedoe marěk dina goenoeng ka pajoeneun Pangeran.” Geus kitoe, doemadakan, Pangeran ngaliwat; hol aja angin gěde nja rongkah, ngabeulahkeun goenoeng-goenoeng sarta ngarěmoekkeun tjadas-tjadas ti pajoeneun Pangeran; tapi Pangeran teu aja dina eta angin. Sanggeusna eta angin aja lini; tapi Pangeran hanteu aja dina eta lini. Sanggeusna eta lini aja seuneu; tapi Pangeran hanteu aja dina eta seuneu. Děmi sanggeusna eta seuneu aja hiliwir ngadalingding leutik. Ari geus kitoe, barang kareungeu koe Elias, gantjang meungpeunan pameunteu koe haroedoemna. Ari timbalan Pangeran ka Elias: „Geura leumpang, koedoe malikan djalan maneh. Sarta kami di Israil ngarikeun 7000, sakabeh toeoer noe teu darěkoe njěmbah ka Baäl, djeung sakoer soengoet noe hanteu njijoem ka dinja.” Geus kitoe Elias angkat ti dinja, měndakan Elisa; kaběněran eta teh keur ngawoeloekoe. Seug Elias ngaroengkoepkeun haroedoemna ka andjeunna. Tidinja Elisa dangdan, bral angkat, ngiring Elias sarta ngawoela ka andjennna.

(1) Nabi Elias kërsa angkat ka goenoeng Horeb, sabab di dinja diadegkeunana përdjangdjian, noe geus dipegat koe bangsa Israil. Di dinja nabi Elias kërsa ngoeningakeun hawatosna koe tina bangsa Israil moertad.


§75. Bangsa Ahab.

(1 Radja 21-2 Radja 1;2 Babad 17-20.)

1. Ari Nabot, oerang Jisrel, boga hidji kebon anggoer di Jisrel, gigireun karaton Ahab. Tidinja Ahab misaoer ka Nabot: „Tjik, eta kěbon anggoer maneh bere ka kami; koe kami dek didjijeun kebon sajoeran; ari kami ka maneh dek mere hidji kėbon anggoer noe aloes ti batan eta, atawa oewang sahargana.” Wangsoelan Nabot: „Palijas teuing koering teh koe Pangeran, [ 205 ]

dek njanggakeun ka andjeun poesaka ti karoehoen koering!”(¹) Toeloej Ahab lěbět ka gědongna, djoewěteun sarta běndoe; doeg ebog di pangkoelēmanana djeung teu kërsaeun dabar. Saoer Isebel garwana ka andjeunna: „Karah akang ajeuna mětakeun karadjaän Israil? Geura tanghi, dahar, sing soeka manah; engke koering ka akang njanggakeun kebon anggoer teh.” Toeloej Isebel ngadaměl soerat-soerat, nganggo djěněngan Ahab; seug eta soerat dikirim-kirimkeun ka para kokolot di nagara Jisrel, sarta marentah ka darinja koedoe milih doewa djalma bangkawarah; eta sina naroeding ka Nabot, ngomong: Nabot ngagorengkeun ka Allah djeung ka radja. Toeloej Nabot koedoe dibawa ka loewar, pek dibentoeran koe batoe, datang ka paehna. Prak para kokolot eta nagara pada ngalampahkeun sapiwarangan Isebel teja. Seg Isebel misaoer ka Ahab: „Geura dangdan, ngamilik kěbon anggoer anoe Nabot, karana Nabot geus paeh.” Bral radja angkat ka kebon anggoer teh, dek di milik. Barang geus dongkap, seug Elias soemping ka andjeunna, ngěmban pangandika Pangeran anoe kijeu: „Dina enggon andjing ngaletakan gětih Nabot teja, měngke andjing ngaletakan deui gètih diri maneh; ari bangsa maneh koe kami rek dibasmi, disaroewakeun djeung bangsa Jarobam. Djeung deui Isebel bakal dihakan andjing pělěbah koeta Jisrel.” Toeloej Ahab njosoëk panganggona, bari poewasa, sarta angkatna Jalaoenan. Ari geus kitoe aja deui pangandika Pangeran ka Elias kijeu: „Sapedah Ahab ngahandapkeun maneh di pajoeneun kami teh, noe matak katjilakaän teja koe kami moal didatangkeun keur djaman manehanana.”

(¹) Dina Toret dilarang ngadjoewal kana kaom anoe sedjen tanah beunang waris ti bapana. Nja eta anoe matak Nabot teu daekeun ngadjoewal kebonna.

2. Mangsa Ahab njangking Israil, karadjaän Joeda ditjangking koe radja Josapat, noe ibadah ka Pangeran. Sarta Josapat babarajaän djeung Ahab, karana poetrana Joram ditikahkeun [ 206 ]
ka Atalia, poetra Ahab noe istri. Hidji mangsa Josapat dibobodo koe 400 nabi bohong, anoe Ahab. Sapedah kitoe angkatna reudjeung Ahab, ngaroeroegan oerang Sam. Ari Ahab njamar heula, toeloej madjoe pěrang, karana radja Sam geus marentah koedoe měrangan ka radja Israil bae. Toeloej aja hidji djalma, měntang gondewa sahinasna bae; heg dipěsatkeun, keuna ka radja Israil; teu lila deui andjeunna poepoes. Ana dikoembah karetana, andjing-andjing pada ngaletakan gětihna. Děmi Josapat moelih ka Jēroesalem sarta kasalamětan. Sarta andjeunna ngadégkeun hakim-hakim di sakabeh nagara Joeda, djeung marentah ka eta hakim-hakim koedoe ngestoekeun timbalan Pangeran.

3. Ari Ahasia, poetra Ahab, djadi radja ngaganti ramana, sarta milampah noe goreng di pajoeneun Pangeran. Hidji waktoe Ahasia teu damang. Tidinja miwarangan djalma, sarta diparentah kijeu: „Maraneh geura leumpang, koedoe naros ka Baäl-Sěboeb, batara Ekron, ijeu panjakit kami pitjageureun deui atawa moal.” Geus kitoe Elias mapagkeun eta oetoesan radja, sarta ngalahir: „Naha karah euweuh Allah di Israil, noe matak maraneh leumpang, dek nanja ka Baäl-Sěboeb, aällahan Ekron? Koe sabab eta, kijeu timbalan Pangeran: Ahasia moal toeroen deui ti pangheësan, noe geus dioenggahan koe manehna; geus pasti pipaeheun.” Geus kitoe oetoesan teh baralik deui, ngoeninga eta teh ka radja. Mariksa radja ka darinja: „Koemaha tata eta djalma, noe datang něpoengan ka maraneh?” Pioendjoekna: „Soemoehoen, eta djalma anggoanana boeloe, saréng tjangkeng na disaboek koelit.” Saoer radja: „Geus tangtoe Elias, oerang Tisbe teja.” Toeloej radja miwarang hidji kapala njěkěl 50, noe koedoe narangkép Elias. Seug kapala teh ngomong ka andjeunna: „Eh piwarangan Allah! lahir radja: Geura toeroen.” Ngawalon Elias: „Moen ěnja kami piwarangan Allah, sing toeroen seuneu ti langit, ngalěboer ka maneh djeung ka batoer maneh anoe 50.” Djoet toeroen seuneu ti langit, ngalěboer ka maranehanana. Toeloej radja miwarang deui ka Elias hidji kapala njěkěl 50. Ari eta dilěboer nja kitoe pisan. Toeloej [ 207 ] radja miwarang deui hidji kapala njěkěl 50, katiloena. Ari geus datang, brek tapak-toeoer pajoeneun Elias, bari noenoehoen ka andjeunna: „Noen, piwarangan Allah! moegi pati simkoering sareng pati ijeu abdi-abdi gamparan noe 50 dipikaädjen koe salira gamparan.” Neut Elias indit, miloe djeung eta, marĕk ka radja, bari ngalahir ka andjeunna sakoemaha lahiranana ka oetoesan teja. Tidinja radja teh maot; toeloej Joram, saderekna, ngaganti djadi radja.


§ 76. Elisa, gaganti Elias.

(2 Radja 2—4.)

1. Ari geus kitoe, mangsa Pangeran kërsa njandak Elias ka sawarga, djalan angin riboet, bral Elias angkat ka Jēriho, diiring koe Elisa. Toeloej moerid-moerid nabi noe araja di Jěriho pada njampeurkeun ka Elisa, sarta nararos ka andjeunna: „Koemaha andjeun geus oeninga, jen djoeragan andjeun poë ijeu koe Pangeran bade ditjandak ti andjeun?” Walonanana:„Kaoela ge njaho; rarepeh bae.” Tidinja Elias ngalahir ka Elisa: „Maneh tjitjing bae di dijeu; karana kami koe Pangeran dipiwarang ka tji Jordan.” Ari wangsoelanana: „Děmi djoeměněnging Pangeran! hamo andjeun koe simkoering ditilar.” Seug laladjeng bae padoedoewaän, darongkap ka sisi tji Jordan. Tidinja Elias njandak haroedoemna, digoeloeng, pek dipeupeuhkeun kana tjai; toeloej tjai teh njingraj ka dijeu ka ditoe; seug doewaän teh mareuntas di noe saät. Děmi geus kitoe, pok Elias ngalahir ka Elisa: „Geura menta, hajang dikoemahakeun koe kami, samemeh kami ditjandak ti maneh?” Ari pihatoer Elisa: „Moegi-moegi simkoering meunang roh andjeun doewa bagian.” Lahiran Elias: „Maneh menta noe hese; oepama kami koe maneh katendjo ditjandak ti maneh, tangtoe tiněkanan ka maneh kitoe.” Děmi geus kitoe, sabot tonggoj arangkatna, bari sasaoeran, doemadakan, aja kareta seuneu djeung koeda seuneu, misahkeun andjeunna doewaän; seg Elias moenggah ka sawarga, djalan angin riboet. Ari koe Elisa katingali, sarta njambat: „Ama! [ 208 ]Amal kareta Israil sareng baladna noe toempak koeda!” Lesteu katingali deui. Tidinja Elisa ngadjoengdjoengkeun haroedoem Elias, anoe ragrag ti andjeunna, bari seug moelih. Toeloej ngadeg di sisi tji Jordan. Gantjang njandak haroedoem Elias teh, pek dipeupeuhkeun kana tjai, bari njaoer: „Di mana Pangeran, Allah Elias?” Heg tjai teh njingraj ka dijeu ka ditoe; toeloej Elisa meuntas.

2. Geus kitoe Elisa ti dinja angkat ka Bet-El. Děmi keur andjeunna nandjak di djalau, aja baroedak leutik ka loewar ti eta nagara, pada ngahinakeun ka andjeunna; aromongna ka andjeunna: „Eh goendoel! geura nandjak.” Toeloej andjeunna ngareret ka toekang, seug eta disarapa mawa padjčočngan Pangeran. Djol aja doewa biroewang bidjil ti leuweung, pek

njasaäk 42 baroedak sabatoer eta. - Sanggeus kitoe aja hidji [ 209 ]awewe, kaäsoep pamadjikan moerid nabi-nabi, sasambat ka Elisa, kijeu sasambatna: „Toewang koering, poen salaki, maot; doepi ajeuna datang toekang mihoetangkeun, sědja njokot anak koering anoe doewa, dek didjijeun boedak.” Lahiran Elisa: „Tjik poepoelih ka kami: aja naon dina imah maneh?” Wangsoelanana: „Soemoeboen, teu gadoeh naon-naon, djabi hidji gotji dieusi minjak.” Lahiranana: „Geura djig, koedoe ngindjeuman wawadahan noe karosong; poma oelah saeutik nja ngindjeum ti sakabeh tatangga maneh, toeloej minjak teh tjitjikeun kana eta sakabeh wawadahan.” Bral awewe moelang ti andjeunna. Ari geus kitoe, barang geus parinoeh wawadahan teh, minjakna ngarandég. Tidinja Elisa ngalahir: Geura djig, eta minjak djoewal, pake majar hoetang maneh; sesana keur pikipajaheun diri maneh djeung anakanak maneh.”

3. Děmi geus kitoe, dina hidji poë Elisa ngaliwat nagara Soenem; ari di dinja aja hidji istri beunghar, seg ngandég ka andjeunna, dihatoeranan toewang. Tina mangsa eta, tijap-tijap andjeunna ngaliwat, sok sindang ka dinja, toewang. Toeloej istri teh mihatoer ka tjarogena: „Salěrěsna eta piwarangan Allah nja soetji. Mangga, oerang njijeun loteng leutik bilikan, seg oerang neundeun di dinja pikeun andjeunna hidji pasarean, hidji medja, hidji korsi, sareng hidji adjoeg; ari geus kitoe, tijap-tijap andjeunna linggih ka oerang, sina sindang ka dinja.” Děmi geus kitoe, dina hidji poë andjeunna soemping deui ka dinja, seug naros ka eta istri: „Saenjana, njai teh ngagětenan ka kami koe sagala kagětenan ijeu; tjik, hajang dikoemahakeun koe kami? Soegan hajang dipangmisaoerkeun ka radja atawa ka kapala balad?” Děmi wangsoelanana: ,,Teu aja; simkoering tjitjing di tengah bangsa simkoering.” Ngomong Gehasi, gandek Elisa: „Sajaktosna teu gadoeheun poetra paměgět.” Heg istri teh ditjěloekan, seug dilahiran koe Elisa: Mangsa ijeu, dina těpoeng waktos kiwari, njai pingarangkoeleun anak lalaki.” Toeloej tiněkanan sakitoe. Ari eta moerangkalih ngagědean, sarta dina hidji poë ka loewar ka ramana, ka noe keur [ 210 ]dibaroewat. Toeloej ngomong ka ramana: „Adoeh, sirah koering!” Heg dibawa, disanggakeun ka iboena; tidinja dijoek dina lahoenan iboena těpí ka tengah poë, toeloej paeh. Gantjang istri teh oenggah, sok moerangkalih teh dikěděngkeun dina pasarean piwarangan Allah. Toeloej ka loewar, bral angkat ka Elisa, ka goenoeng Karmel, bebedja ka andjeunna. Tidinja Elisa dangdan, bral angkat, noemoetkeun eta istri. Ari geus lébět kana loteng bilikan teja, seug meundeutkeun panto, bari něněda ka Pangeran; tjat naek, bari ngebogkeun andjeun ka eta moerangkalih. Geus kitoe moerangkalih teh běrěsin, meunang toedjoeh kali, braj beunta panonna.

§ 77. Toeloejna.

(2 Radja 5-8.)

1. Ari Naäman, kapala balad radja Sam, djadi djalma gěde di hareupeun djoeraganana, tapi keuna kasakit lepra. Ari di hareupeun geureuha Naäman aja hidji boedak leutik awewe, bangsa Israil, beunang ngadjarah keur mangsa perang. Tidinja eta oendjoekan ka djoeraganana istri: „Naha moen djoeragan aja di pajoeneun nabi (Elisa) noe di Samaria! tinangtos enggal didamangkeun tina kasawatna lepra teh.” Toeloej Naäman ngadeuheus, sarta ngoeninga ka djoeraganana. Seug Naäman teh koe radja Sam didjoeroengkeun ka Joram, radja Israil, sarta dipaparin soerat keur Joram, soepaja koe andjeunna didamangkeun tina kasakitna. Mangsa radja Israil geus ngaos eta soerat, toeloej njosoëk panganggona, bari misaoer: „Naha kami karah Allah, bisa maehkeun djeung ngabiroepkeun?” Ari geus kitoe Elisa ngadjoeroengkeun ka radja, mihatoer kijeu: „Sina datang ka kaoela, mangke eta nganjahokeun, jen aja nabi di Israil.” Tidinja Naäman soemping reudjeung koedana sarta reudjeung karetna, seug njangrog hareupeun lawang boemi Elisa. Geus kitoe Elisa miwarang hidji djalma ka andjeunna, mopojan kijeu: „Geura angkat, moedoe siram toedjoeh kali dina tji Jordan, tangtoe andjeun běrěsih.” Děmi Naäman teh djadi běndoe; toeloej angkat bari njaoer: „Ih, panjana kami eta [ 211 ]tangtoe ka loewar ka kami, toeloej pingadegeun bari njěboet padjěněngan Pangeran Allahna; seug ngoengkoelkeun pananganana ka enggonna, bari ditjageurkeun leprana. Naha waloengan Damsik lain aloes alah batan sakabeli tjai Israil?” Bral Naäman malik, sarta angkat bari běndoe. Ser abdi-abdina njalampeurkeun, sarta mihatoer ka andjeunua: „Noen, ama! manawi eta nabi ka andjeun ngadawoeh pěrkawis noe roegěl, naha koe andjeun moal dilampahkeun? geus soemawonna ari nimbalan ka andjeun: Geura siram, mangke běrěsih!” Toeloej bas moedoen, pek neuleumkeun andjeun ka tji Jordan toedjoeh kali, seug dagingna poelih deui, saperti daging boedak leutik, sarta djadi běrěsih.

2. Tidinja moelih deui ka piwarangan Allah teh, bari mihatoer: „Salěrěsna, abdi teh ajeuna geus terang, jen taja deui Allah di satoengkebing boemi, kadjaba di Israil; doepi ajeuna moegi [ 212 ]kérsa nampi pangabaktos ti abdi gamparan.” Ari walonanana: Děmi djoeměněnging Pangeran! kaoela moal rek nampa.” Mihatoer Naäman: „Manawi teu kersa mah, moegi abdi gamparan dipasihan taneuh momotaneun doewa bigal (pikeun njijeun altar bade ka Pangeran di tanah Sam); karantěn abdi gamparan ka-hareupna moal ngoerban deui ka aällahan, salérésna sědja ngoerban ka Pangeran.” Ari lahiran Elisa ka Naäman: „Geura moelang bae sarta kasenangan.” Bral angkat ti andjeunna, meunang sadjong-djongan. Semproeng Gehasi ngoedag njoesoel Naäman, toeloej mopojan kijeu: „Simkoering dipiwarang koe djoeragan, oendjoekan: Hatoer oeninga, tjikeneh písan kaoela kadatangan doewa djalma ngora, kaäsoep moerid nabi-nabi; moegi koe andjeun eta dipaparin perak satalenta sareng doewa pisalin.” Toeloej koe Naäman dipaparin 2 talenta perak, toer 2 pisalin. Geus kitoe Gehasi asoep, marěk ka djoeraganana. Toeloej koe Elisa dipariksa: Mantas ti mana Gehasi?” Wangsoelanana: „Noen, abdi gamparan teu ka mana-mana.” Lahiran Elisa ka dinja: „Naha hate kami teu miloe, keur barang eta djalma malik, toeroen ti karetana, mapag ka maneh? Karah ajeuna pioesoemeunana meunangkeun perak, djeung meunangkeun papakean? Manana kasakit lepra oeroet Naäman teja pinapěleun ka maneh djeung ka toeroonan maneh salalanggengna.” Toeloej bidjil ti pajoeneun Elisa, geus keuna kasakit lepra, ngeplak saperti saldjoe.

3. Hidji mangsa Benhadad, radja Sam, keur mérangan ka Israil. Toeloej badami ka mantri-mantrina, tapi kasaoeranana kue Elisa sok dipoepoelihkeun ka radja Israil. Lila-lila radja Sam hatena djengkeleun tina hal perkara kitoe. Toeloej Benhadad nitahan balad rosa pisan ka nagara Dotan, enggon Elisa aja, soepaja andjeunna ditangkep. Děmi gandek Elisa hoedang isoek-isoek, seug ka loewar, doemadakan aja balad ngarijoeng nagara, sarta koeda djeung kareta. Toeloej oendjoekan ka Elisa: „Alah, djoeragan! koe-maha nja pilampaheun?” Lahiranana: „Montong sijeun-sijeun, karana noe njarěngan ka oerang loba ti batan anoe ngareudjeungan ka eta.” Tidinja Elisa něněda, kijeu panědana: „Noen, Pangeran! [ 213 ]moegi beuntakeun panonna, sina nendjo.” Ladjeng koe Pangeran panon gandek teh dibeuntakeun, seg nendjo; doemadakan, goenoeng teh pinoeh koe koeda seunen djeung kareta seuneu sakoeriling Elisa. Ladjeng balad Sam koe Pangeran pada digiboeg; diboetakeun. Pok Elisa ngalahir ka eta djalma-djalma: „Geura pada noetoerkeun ka kaoela, dek dianteurkeun ka djalma noe dítejangan koe maraneh.” Toeloej koe andjeunna dianteurkeun ka Samaria. Ari geus kitoe, toeloej Elisa oendjoekan: „Noen, Pangeran moegi beuntakeun panon ijeu djalma-djalma, sina narendjo.” Braj pada nendjo, sihoreng aja di tengah Samaria. Barang katingali koe radja Israil, pok naros ka Elisa: „Koemaha, ama! koedoe koe kaoela disabětan?” Walonanana: „Montong disabětan; karah andjeun rek njabětan ka noe beunang andjeun ngadjarah lantaran pedang andjeun atawa lantaran gondewa andjeun? Anggoer soegoehan roti djeung tjai, sina njaratoenginoem, sarta toeloej maroelang ka djoeraganana.”

Katerangan. Ela koeda seuneu djeung karota seuneu teja, nja eta balad malaikat. Djab. 34: 8: „Malaikat Pangeran masang grahan sakoerlling noe sijeun koe andjeunna.” Djab. 91: 11, 12: „Pangeran bade nimbalan ka para malaikatos tina pěrkara maneh, aoepaja pada ngarakan ka maneh dina Bakabeh djalan maneh. Bakal njarangga ka maneh, sangkan soekoe manch oelah koengsi tigasroek kana batne.” ― Ibrani 1: 14: „Ari eta sakabehna teb (malaikat) naba lain soekma koemawoela, noe dipiwarang baris ngewoels, koe tina sabab sakoer djalma noe bakal kawaris kasalamětan?”

4. Ari sanggeusna ti dinja, hidji mangsa Benhadad, radja Sam, ngěpoeng nagara Samaria. Ari geus kitoe, di Samaria patjěklik rosa katjida. Toeloej Elisa ngalahir ka radja Joram: „Kijen timbalan Pangeran: Isoekan wajah kiwari satakěr tipoeng lěměs sasekel (harga oesoem panen) dina lawang Samaria.” Ngadjawab satrija, noe koe radja ditaleukeuman leungeunna: „Amboe-amboe! masih Pangeran ngadaměl djandela di langit oge, karah bisa djadi eta pěrkara?” Lahir Elisa: Masing njabo, bakal katendjo koe sampejan koe panon sorangan, tapi [ 214 ]pejan moal koengsi ngahakan eta.” Waktoe peuting koe Goesti diparčngkeun, wadya-balad Sam ngadenge goeroedoeg kareta djeung goeroedoeg koeda, sora balad gěde; heug ngaromong batoer pada batoer: „Amboe-amboe! radja Israil ngoelikeun ka radja-radja oerang Het djeung oerang Mesir, soepaja datang ngaroeroeg ka oerang.” Pakepoek oerang Sam darangdan, seug kalaboer sareupna, sarta naringgalkeun pasanggrahan sakoemaha ajana. Ari di hareupeun lawang nagara aja opat djalma noe boga kasakit lepra. Eta darangdan sareupna, sědja asoep ka pasanggrahan oerang Sam, bawaning langlajeuseun. Ana narepi, doemadakan, di dinja taja djalma hidji-hidji atjan. Toeloej ngoeninga eta ka nagara. Seug djalma-djalma rijab, sarta pada ngarajahan pasanggrahan oerang Sam. Děmi geus kitoe, sataker tipoeng leměs harga sasekel. Ari satrija, noe koe radja ditaleukeuman leungeunna teja, koe radja ditjangkingan ngadjaga lawang nagara; toeloej katíntjakan koe djalma-djalma dina lawang, hos paeh.

§ 78. Bangsa Ahab diboekoem.

(2 Radja 8-11.)

1. Di karadjaän Joeda, Josapat diganti koe Joram poetrana. Děmi Joram teh ngalakonan djalan radja-radja Israil, sakoemaha lalampahan bangsa Ahab bae; wantoe geureuhaän ka poetra Ahab. Tatapi Pangeran teu kersaeun ngaroeksakkeun Joeda, koe karana Dawoed abdina. Děmi Joram teh poepoes, diganti koe Ahasia poetrana. Eta kitoe deui ngalakonan djalan bangsa Ahab; wantoe babarajaän djeung bangsa Ahab. Tidinja angkat reudjeung Joram, radja Israil, měrangan ka Hasael, ralja Sam, di Ramot, bilangan Gilad. Toeloej Joram keuna raheut koe oerang Sam. Gantjang radja Joram moelih, soepaja andjeunna dilandongan di Jisrel. Toeloej Ahasia, radja Joeda teja, ngalajad ka Joram ka Jisrel, pedah eta teu damang.

2. Mangsa eta nabi Elisa njaoer moerid nabi-nabi saoerang, [ 215 ]seg dipiwarang ka Ramot, ka Jehoe, hidji kapala balad Israil. Bral eta boedjang, nja eta gandek nabi, leumpang ka Kamot. Pek ngoetjoerkeun minjak ka sirah Jehoe, bari mihatoer: „Kijen timbalan Pangeran: Maneh koe kami diminjakan, diangkat radja, njěkěl oemat Pangeran. Sarta maneh koedoe maehan bangsa Ahab, soepaja kami malés gětih abdi-abdi kami, noe dikoetjoerkeun koe Isebel. Karana sabangsa Ahab koedoe digěmpoer.” Gantjang kantja-kantja Jehoe narijoep sangkakala, bari ngaromong ,Jehoe djoeměněng radja!” Djadi Jehoe sakait ngamoesoeh ka Joram. Tjat Jehoe toenggang kareta, toeloej angkat ka Jisrel. Ari noe kěmit keur nangtoeng dina papanggoengan di Jisrel; beh nendjo Jehoe saaleutanana keur moeroeboel; pok oendjoekan: Koering nendjo aleutan.” Koe Joram hidji toekang toempak koeda dititah mapagkeun sarta nanjakeun salamět hanteuna. Eta djalma koe Jehoe dititah noetoerkeun andjeunna. Nja kitoe deui djalma sedjen, noe dititah koe Joram. Parentah Joram: „Geura pasang!" Prak dipasang karetana. Djol Joram, radja Israil, bidjil djeung Abasia, radja Joeda, pada toenggang kareta pribadi; ari baridjilna mapagkeun Jehoe, prok patěpang, plebah lahan Nabot teja. Pok Joram mariksa: „Eh Jehoe! koemaha, salamět?” Walonanana: ,Kpemaha rek salamět, salilana djinahna Isebel, indoeng maneh, djeung sibirna sakitoe rasosa?” Gantjang Joram malikkeun, seug kaboer. Děmi Jehoe ngageuwat njëkel gondewa, pek Joram dipanah, keuna antara walikatna; ari djamparingna bidjil tina manaħna, hos poepoes. Toeloej majitna dipitjeun kana loewoekan lahan Nabot teja. Barang katingali koe Ahasia, seug kaboer. Děmi Jehoe ngoedag njoesoel andjeunna, toeloej dipaehan. Seug koe abdi-abdina dibawa ka Jeroesalem sarta dikoerubkeun di dinja.

3. Tidinja Johoe soemping ka Jisrel. Barang Isebel geus meunang bedja, ngageuwat panonna disipat djeung sirahna dipapantěs; toeloej němpo tina djandela. Ret Jehoe tjèngkat kana djandela, bari njaoer: „Eta geura tinggangkeun!” Pek koe ponggawa ditinggangkeun; seug ditintjakan koe koeda. [ 216 ]Sanggens kitoe, barang dek dikoerébkeun, bět taja noe kapanggih ngan tangkorekna, djeung soekoena sarta dampal leungeunna, da dihakan andjing (§ 75, 1). Sarta koe Jehoe disabětan sakabeh ahli Ahab anoe kari di Jisrel. Toeloej Jehoe dangdan, bral angkat ka Samaria. Tidinja misaoer kijeu: „Ari Ahab teh ngabaktina ka Baäl saeutik bae; Jehoe mah sedja rosa ngabakti ka dinja.” Toeloej marentah: „Geura soesoetji baris gémpoengan pesta pikenn Baäl.” Heug moeroeboel sakabeh abdi Baäl, taja noe kari hidji-hidji atjan anoe hanteu datang; seg arasoep ka gědong Baäl, wani djedjel-pinoeh ti sisi ka sisi deni. Toeloej pek disarabětan koe seuseukeut pedang, sarta gědong Baäl diboerak-barik. Tah, kitoe Jehoe noempoerkeunana Baal, dileungitkeun ti Israil. Ngan moenggoeh dosa Jarobam mah, Jehoe hauten njingkab noeroet eta, nja eta sasapian emas, noe di Bet El sarta di Dan teja. Kitoe noe matak Pangeran Dimbalan ka Jehoe, jen poetrana opat toeroenan pidijoekenn dina korsi karadjaän Israil.

4. Mangsa Atalja, iboe Abasia teja, geus terangeun jen poetrana poepoes, toeloej dangdan, seg ngagěmpoer sakabeh toeroenan radja; toeloej djadi radja. Tatapi Joseba, saderek Ahasia noe istri, pjandak Joas, poetra Abasia noe boengsoe, disoempoetkeun di gedong Pangeran gěněp taoen lilana, soepaja oelah dipaehan. Děmi dina taoen noe katoedjoeh, panghoeloe Jojada, paměgět Joseba teja, ngoempoelkenn sagala kapala balad di gědong Pangeran, bari seug dipintonan poetra radja. Tidinja poetra radja teh koe panghoeloe ditjandak ka loewar, sarta mastakana dimakoetaän, bari diselehan Pertelaän teja; prak koe sadajana didjěněngkeun radja, sarta dilisahan sakali; seg pada emprak-emprakan, bari njareboet: „Radja sing salamět!” Barang Atalja ngadenge sora djalma loba, ngageuwat Atalja ngadatangan ka gědong Pangeran. Ana ngalijenk, seg ngadengek: „Sakongkol! sakongkol!” Ari koe para kapala toeloej dika-loewarkeun; pek dipaehan di loewar. Ari sakabeh djalma eusi tanah pada boengaheun, sarta dajeuh teh kerta. [ 217 ]

§ 79. Nabi Hosea, Joël, Amos djeung
Obadya.

1. Kira-kira 800 taoen samemeh Kristoes diowokeun, keur mangsa Oesia djoeměněng radja Joeda sarta Jarobam II djoeměněng radja Israil, pangandiks Allah dioewarkeun ka oerang Israil koe nabi Hosea, Joël, Amos, Obadya, Joenoes, Mika djeung Jõsaja, Oerang Israil koe eta dipapatahan sina ngestoekeun Toret langeran; siksaan anoe měngke keuna ka Israil djeung Joeda koe arandjeanna dipaparin njaho ti heula; djeung deui sakoer anoe ibadah ka Pangeran dililipoer lantaran piwědjang moenggoeh pisoempingeunana Poetra Dawoed anoe agoeng, nja Djoeroe-salamět doenya. Djeung deui soepaja eta piwědjang pimangpaäteun keur sagala djaman anoe mangke, pikeun mageuhkeun kapěrtjajaän sarta pikeun něrangkeun djalan Pangeran, reja piwědjang koe para nabi dilahirkeun koe biwir ongkoh sarta ditjatět dina kertas ongkoh. Tina piwědjang sagala nabi, rasoel Petroes ngalahir kijeu: „Piwědjang nabi teh taja pisan noe bidjil ti karop djalma, estoona mah dilahirkeunana koe piwarangan Allah noe saroetji, kasoeroeng koe Rob Soetji (2 Petr. 1:21).

2. Dina pasal 3: 4 dj. 5, nabi Hosea miwědjang bangsa Israil bakal dipitjeun koe Pangeran, tatapi dina ahir djaman tangtoe ditarima deui. Kijeu saoerna: „Oerang Israil lila katjida nja pingarenggoneun teu radja, teu kapala, teu koerban, teu tihang brahala, teu epod djeung teu tapekong. Sanggeusna kitoe oerang Israil tangtoe tarobat, bari narejangan Pangeran Allahna, djeung ka Dawoed radjana; sarta tangtoe pada moeroe djeung sarijeuneunana ka Pangeran, sarta ka kamoerahanana, dina ahir djaman." Nabi Joël ngoewarkeun pertobat mangsa hama simeut noe rosa katjida sarta miwědjang dikoetjoerkeunana Roh Soetji, nja kijeu (pasal 2: 28): „Sanggeusna ti dinja, kami bakal ngoetjoerkeun Roh kami ka sakabeh daging; ari anak maraneh lalaki-awewe bakal ngawědjang.” Nabi Amos, hidji pangangon [ 218 ]di nagara Těkoa, koe Pangeran didjenengkeun nabi; toeloej ngoewarkeun roeboehna karadjaän Joeda, anoe měngke, sarta pasal 9: 11 miwědjang karadjaän Dawoed bakal diadegkeun deui koe Kristoes; kijeu lahirna: „Dina mangsa eta kami rek ngadegkeun deui balandongan Dawoed noe boekrak-bakrek; ari noe beulah rek diomean, sarta noe roeksah diaděgkeun, nja rek didjelégkeun deui satjara djaman baheula!” Dina kitab nabi Obadya aja piwědjang moenggoeh bangsa Edom anoe ngamoesoeh ka oerang Israil.

§ 80. Nabi Joenoes

1. Hidji mangsa aja pangandika Pangeran ka Joenoes, kijeu pangandikana: „Geura dangdan, bral leumpang ka Niněve (nja eta dajeuh tanah Asoer), ngoewarkeun pitjilakaeunana; karana kagorenganana geus oenggah ka hareupeun kami.” Prak Joenoes teh dangdan, seng toeroen kana hidji kapal, sědja minggat ti pajoeneun Pangeran. Ladjeng Pangeran ninggangkeun angin gede ka laoet, datang ka kapal rasana rek bědjad. Tidinja oerang kapal teh sasambat, masing-masing ka aällahanana. Ari Joenoes mah geus toeroen ka noe pangdjěrona dina kapal, keur ngěděng sarta sare tibra. Toeloej Joenoes disampeurkeun koc kapala istriman; ari sacerna ka Joenoes: „Naha sampejan wět sare? Geura hoedang, sasambat ka batara sampejan!” Tidinja oerang kapal ngaromong djeung batoerna: „Hajoe, oerang lotere, soepaja oerang terang, anoe mana noe matak oerang katjilakaän sakijen.” Pek lotere; ana keuna lotere teh ka Joenoes. Pok pada ngomong ka Joenoes: „Sampejan bangsa naon?" Ngadjawab Joenoes: „Kaoela oerang Ibrani, sarta ibadah ka Pangeran, Allah sawarga, noe ngadaměl laoet djeung darat teja, sarta kaoela minggat ti pajoeneunana.” Ngaromongna deui: „Sampejan koedoe dikoemahakeun koe kaoela, soepaja laoet teh djempe?” Ari djawabna ka maranebanana; Kaoela djoengdjoengkeun, sarta koentjlocngkeun ka laoet, mangke laost djempe; karana kaoela njaho, maraneh pangkataradjang [ 219 ]riboet sakijeu gědena, nja koe karana kaoela.” Tatapi eta djalma haběn pada ngadajoeng, hajang moelangkeun kapalna ka darat, ngan teu kadaroegaeun. Pek Joenoes dikoentjloengkeun ka laoet; djep laoet teh ngaranděg ngamoekna. Toeloej eta djalma sarijeuneun koe Pangeran, djeung ngoerbankeun koerban ka andjeunna, bari pada ka loewar padar. Sarta koe Pangeran dikersakeun aja hidji laoek gede, ngalegleg ka Joenoes; ari ajana Joenoes di djero beuteung laoek teh tiloe poë tiloe peuting, sarta sasambat ka Pangeran ti djěro kasoekŏranana. Seug Joenoes koe laoek dioetabkeun ka darat.

Tina hal nabi Joenoes ajana dina djèro beuteung laoek teja, aja pilahir Goesti Jesoer, anoe kijen: ,Saperti Joenoes tiloe poê tiloe penting aja di djěro beuteung laoek lodau teja, nja kitoe deui Poetra manoesa teh bakal aja di djero hate boemi tiloe poë tiloe peuting.” (Mat. 12 40.)

2. Ari geus kitoe aja pangandika Pangeran ka Joenoes kadoewa kalina, kijeu pangandikana: „Geura dangdan, bral leumpang ka Ninowe, ngoewarkeun ka dinja pangoewaran, noe koe kami rek dilahirkeun ka maneh.” Prak Joenoes dangdan, toeloej mangkat ka Ninewe. Ari Niněwe teja nagara gěde pisan, lalakon 3 poë légana. Toeloej Joenoes ngamimitian asoep ka nagara, lalakon sapoë, bari ngoewarkeun, kijen saoerna: „Opat poeloeh poë deui Niněwe bakal dibalik.” Ari oerang Niněwe pertjajaeun ka Allah, sarta tarobat. Barang eta warta geus dongkap ka radja, neut radja nangtoeng ti panglinggihanana, sarta moeka haroedoem ti salirana, bari seug nganggo karoeng; gek tjalik dina lěboe. Sarta radja ngoendang-ngoendangkeun djeung ngoetarakeun di Ninowe nja kijeu: „Manoesa djeung sasatoan oelah ngasaän naon-naon, sarta koedoe marake karoeng, bari pada sasambat ka Allah bědas pisan; nja koedoe tarobat, hidji-hidji djalma sing mitjeun djalanna Doe goreng. Saha noe njaho, malah mandar Allah moelih deui, bari sirna tina kabangětan bondoena.” Ladjong Allah ningali pagaweanana, jen pada tarobat, mitjenn djalanna noe goreng; geus kitoe Allah handjakaleun [ 220 ]koe hal pitjilakaeun, noe koe Allah diandikakeun bade didamõl ka maranehanana teja; hanteu koengsi didaměl.

Ari portobat oerang Niněwe djadi pertelaan hal katenasan hate oemat Allah, Goesti Jesoes ngalahir kijen: Oerang Niněwe bakal ngadarenhousan ka hoekoem jamat bareng djeung jeu bangsa ajeuna, sarta seug ngahoekoeman ka dariaja; karana oerang Niněwe teh tarobat sanggeuzua meunang piwoeroek ti Joenoes; padahal anoe ajenns di dijen mah lenwih ti batan Joenoes" (Mat. 12: 41).

3. Tina pěrkara kitoe, Joenoes teu ngeunaheun sarta panas atina. Toeloej něněda kijeu: Noen Pangeran! lain nja kitoe pioendjoek koering, keur koering aja keneh di tanah koering? Nja eta noe mawi koering goera-giroe los minggat; karanten koering geus terang, andjeun teh Allah noe sipat koernija, ja sipat wělas, sipat sabar, toer gede kaäaihan, sareng sok handjakal koe hal katjilakaän.” Toeloej Joenoes ka loewar ti nagara, sarta njijeun hidji saoeng, bari seg tjalik, hajang nendjo naon noe pidjadieun ka eta nagara. Děmi koe Allah dikeraakeun aja hidji tangkal kaliki ngadadak djadi, ngaloehoeran ka Joenoes, baris ngijoehan ka sirahna. Seug Joenoes teh boengaheun tina eta tangkal kaliki; rosa kaboengahanana. Tatapi koe Allah dikērsakeun, isoekna, barang balebat padjar, aja hidji hileud ngegel eta tangkal, noe matak djadi perang. Ari geus kitoe, barang bidjil panon-poš, toeloej sirah Joenoes katodjo koe panon-poë, moenggah Joenoes katoelalengan, sarta njoehoenkeun hal patina moegi diadjalkeun. Ladjang Allah ngandika: „Naha rasa maneh běnér panas-ati koe hal tangkal kaliki teh?” Ari pioendjoekna: „Soemoehoen, raos běněr koering teh panas-ati, moenggah asa rek paeh.” Děmi timbalan Pangeran: „Maneh teh hawatir koe hal eta tangkal kaliki anoe lain beunang njijeun maneh, sarta ngagědeanana lain koe maneh; djadina di djěro sapeuting, euweuhna di djéro sapeuting; ari lěbah kami mah naha teu rek bawatir koe hal Niněwe, nagara sakitoe gědena, eusina leuwib ti 120,000 manoesa noe tatjan njaho bedana kentja-katoehoena (baroedak oemoer 2 taoen ka-handap), samalah sasatoan loba pisan?” [ 221 ]

§ 81. Nabi Jesaja djeung Mika.

1. Moenggoeh Djoeroe-salamět dina kitab nabi Jěsaja reja piwoeroek. Kamoeljaänana dipiwědjang pasal 30. Saoepama p. 7:14: „Masing njaho: landjang teh bakal ngadjoeroekeun hidji anak lalaki; eta bakal dingaranan Imanoeël” (těgusna: Allah sasarongan djeung oerang). P. 9: 5: „Keur pimangpaäteun oerang geus diowokeun hidji moerangkalih, nja oerang teh dipaparin hidji poetra paměgět; ari taktakna manggoel kapoerbaän, sarta andjeuna didj ěněnyanan Adjaib, Patarosan, Allah noe langkoeng kawasa, Ramaning kalanggengan, Kapalaning kasalamětan." P. 11:1, 2: Ari tina toenggoel Isai mengke bidjil seuweu; nja hidji siroeng tina akarna měngke boewahan. Sarta eta teh bakal dilinggihan Roh Pangeran.” Moenggoeh sangsara Goesti reja piwědjang, pasal 40-66. Oepama p. 53: 4-7. „Saestoe-estoena, andjeunna geus ngamomotan andjeun koe kasakit-kasakit oerang, sarta geus nanggoeng kasangsaraän oerang; ari koe gerang mah disangka andjeunna disiksa, digeboeg koe Allah, sarta disoesoeker. Enjana mah andjeunna diraheutanana tina kamasijatan oerang, diremoekkeunana tina kadorakaän oerang; paměpěrih anoe matak oerang salamět těrap ka andjeunnu, sarta koe raraheut andjeunna oerang teh geus ditjageurkeun. Oerang sakabeh pada sasab tjara domba; oerang pada noeroet ka djalan sorangan-sorangan bae; děmi kadorakaän oerang sakabeh koe Pangeran geus diambroegkeun ka andjeunna. Andjeunna disěděkkeun, tapi ngawajahnakeun andjeun, djeung teu kersaeun engah lambena; andjeunna ditoengtoen ka pameuntjitan tjara anak domba, djeung saperti domba noe balèm di hareupeun noe ngagoentingan, nja kitoe andjeunna hanteu engah lambena.”

2. Koe nabi Mika dipiwědjang oerang Israil bakal disiksa koe Pangeran sarta dileupaskeun koe Djoeroe-salamět. P. 5 : 1; „Ari maneh, Bet-Lehem, bilangan Eprata, anoe leutik nja aja di sadjěro bareboe-reboe Joeda! nja ti maneh pibidjileun pikeun [ 222 ]kami anoe bakal njangking kawasa di Israil; ari eta teh ka-loewarna ti kadim, ti djaman langgeng."

§ 82. Panganggeusan karadjaän Israil.
(2 Radja 17.)

1. Ari oerang larail tonggoj bae migawe anoe goreng di pajoeneun Pangeran, djeung pada ngalakonan pikoekoeh bangsa-bangsa, sarta ngaheng-ngaheng kana perkara noe teu běněr. Malah-malah ngaradegkeun keur dirina tihang-tibang djeung artja-artja dina oenggal pasir loehoer, djeung di handapeun sakoer kakaian ngaroenggoenoek, toer pada ngabakti ka brahala-brahala. Ari Pangeran teh ngelingan ka Israil koe sakabeh nabi andjeunna, soepaja tarobat, mitjeun djalan noe goreng. Děmi eta teu ngagaroegoe, anggoer pada ngaheuraskeun beuheungna, seg pada noeroet noe sija-sija, djeung njarembah ka sakoer balad langit, sarta ngabarakti ka Baäl. Toer sok njorangkeun anakna lalaki awewe kana seubeu, sarta pada milampah noedjoem djeung tenoeng; estoe geus pada ngadjoewal diri, karep migawe noe goreng di pajoeneun Pangeran. Noe matak Pangeran ngabrudon ka Israil langkoeng-langkoeng, sarta disalingkirkeun ti pajoeneunana, sakoemaha pangandikana koe lantaran sakabeh abdi abdina, nja para-nabi teja.

2. Mangsa kasalapan taoenna djoeměněng Ilosea, radja panoetoep karadjaän Israil, Salmaneser, radja tanah Asoer, ngabojong Israil ka tanah Asoer (722 taoen samemeh Kristoes diowokeun). Tidinja ngadatangkeun oerang kapir ti sedjen nagara, dibere ěnggon di nagara-nagara Samaria. Ari geus kitoe, keur anjaran eta djalma ngarenggon di dinja, teu aribadah ka Pangeran; anoe matak eta teh koe Pangeran didatangan singa, sarta maranebanana reja noe koc singa diparaehan. Toeloej aroendjoekan ka radja Asoer: „Noen, ari bangsa-bangsa noe koe andjeun dipěrnahkeun di nagara-nagara Samaria teja, hanten tarérangeun dina tata Batara eta tanah; noe mawi maranehanana koe eta Batara didatangan singa; sareng saleresna, [ 223 ]maranehanana koe singa teh diparaehan.” Toeloej koe Salmaneser didjoeroengkeun hidji panghoeloe, kaäsoep panghoeloe anoe kos oerang Asoer dibojong ti Samaria teja; seug eta matoeh di Bet-El, sarta magalıkeun ka maranehanana hal pětana ibadah ka Pangeran. Toeloej eta teh aribadah ka Pangeran, ongkoh ngabarakti ka aällabanana, noeroetkeun tata bangsa-bangsa anoe asal maranehanana dibojong ka Samaria.

§ 83. Ahas djeung Hiskia.
(2 Radja 16, 18-20.)

1. Mangsa Israil dibojong koe Salmaneser, harita Hiskia djoeměněng radja Joeda, ngaganti ramana, djenčngan Ahas. Ahas teh geus ngalakonan djalan radja-radja Israil; malah-malah njorangkeun poetrana noe paměgět kana seuneu; toer andjeunna ngoerban sarta ngoekoes ka aällahan; ari panto gedong Pangeran koe andjeunua dipeundeutkeun. Děmi Hiskia mah milampah anoe běněr di pajoeneun Pangeran, sakoemaha lampah Dawoed ramana. Audjeunna moekakeun panto gidong Pangeran, bari diomean sakali. Sarta noeroetkeun timbalanana gedong Pangeran disoetjikeun koe para panghoeloe djeung ahli Lewi. Tidinja Hiskia miwarangan ka sabangsa Israil djeung Joeda, sina datang ka gedong Pangeran baris milampah paska ka Pangeran, Allah Israil. Tidinja ka Jeroesalem karoempoel djalma pirang-pirang, sčdja milampah pesta roti teu ragian, pakoempoelan gide katjida. Geus kitoe darangdan, seg njalingkirkeun altar-altar, djeung sakabeh paragi ngoekoes ka aällahau disalingkirkeun, dipitjeun ka tji Kidron. Prak pada milampah pesta teja djeung kaboengahan noe rosa katjida, karana ti djaman Soeleman taja saperti kitoe di Jéroesalem.

2. Ari mangsa kaopat-wčlas taoenna Hiskia djoeměněng radja, bral Sanherib, radja Asoer, indit ngaroeroeg ka sakabeh nagara Joeda noe rareugreug, sarta dibareunangkeun. Toeloej nitahan balad noe rosa pisan ka Jéroesalem, soepaja dibeunangkeun. Ari geus naropi hareupeun Jeroesalem, toeloej para [ 224 ]kapala eta balad, nja eta Tartan, Rabsaris djeung Rabsake ngageroan ka radja sarta ngahinakeun ka Allah noe djoeměněng. Barang kadangoe koe radja Hiskia, pek andjeanna njosoëk panganggona, bari soug lěbět ka gědong Pangeran sarta něněda ka pajoeneun Pangeran. Tidinja nabi Jěsaja ngadjoeroengkeun ka Hiskia, pihatoerna: „Kijen timbalan Pangeran, Allah Israil: Ari perkara anoe koe maneh ditěda ka kami hal Sanherib, radja Asoer teja, koe kami geus dimakboel.” Ari geus kitoe, dina peuting eta keneh bidjil Malaikat Pangeran, pek njabětan dina pasanggrahan oerang Asoer 185,000 djalma. Djoeng Sanharib leumpang moelang; toeloej tjalik di nagara Niněwe. Ari geus kitoe, eukeur radja sěmbahijang di gědong aällahanana, pek poetrana maehan ka andjeunna koe pědang.

3. Dina mangsa eta Hiskia parěng teu damang, meh poepoes. Toeloej nabi Jěsaja ngadeuheus ka andjeunna, sarta mihatoer: „Kijeu timbalan Pangeran: Geura wewěkas ka saeusi imah maneh; karana maneh engke paeh, moal lila nja hiroep!” Tidinja radja ngagilir pameunteuna kana bilik, barí seug něněda ka Pangeran, sarta nangis rosa katjida. Děmi geus kitoe, memeh Jěsaja ka loewar ti boeroean paněngah, aja pangandika Pangeran ka andjeunna, kijeu pangandikana: „Geura balik, bedjakeun koe maneh ka Hiskia: Kijeu timbalan Pangeran: Paněda maneh koe kami dimakboel, tji-panon maneh koe kami katingali; masing njaho, maneh koe kami rek ditjageurkeun, sarta oemoer maneh koe kami rek ditambahan 15 taoen.” Seug Jěsaja moelih, ngoeninga ka radja, sarta njandak boewah kondang sagoeroentoel, ditaplokkeun ka noe bareuh; toeloej Hiskia boerip. Ngalabir Hiskia ka Jěsaja: „Naon pialamateun, jen kaoela koe Pangeran bakal ditjageurkeun?” Walonan Jěsaja: „Koemaha kersa, kalangkang teh madjoe 10 goerat atawa moendoer 10 goerat?” Ari lahiran Hiskia: „Gampang kalangkang teb ngeser 10 goerat; ontong, anggoer kalangkang teh sina moendoer 10 goerat ka toekang.” Toeloej nabi Jěsaja sasambat ka Pangeran; seug koe Pangeran kalangkang teh dipoendoerkeun 10 goerat ka toekang, dina goerat noe koe eta geus [ 225 ]ditoeroenan dina istiwa Ahas. Dina mangsa eta Běrodak-Baladan, radja Baboel, ngirimkeun soerat djeung kikintoen ka Hiskia; karana ngadenge bedja, jen Hiskia mantas teu damang. Ari Hiskia ngagoegoe ka eta oetoesan, sarta nembongkeun ka darinja sakabeh doenya-branana. Geus kitoe nabi Jesaja ngadeubeus ka andjeunna, sarta ngalahirkijeu: „Andjeun geura reungeukeun pangandika Pangeran: Masing njaho, pidatangeun mangsa, didinja saniskara noe di imah maneh bakal diakoetan ka Baboel. Djeung deui anak maneh, anoe pibidjileun ti diri maneb, noe sawareh měngke ditjokot, didjijeun ponggawa di djěro karaton radja Baboel.” Tatapi pedah Hiskia ngarěndahkeun andjeun di pajoeneun Pangeran, dipaparin kasěnangan saoemoer andjeunna.

§ 84. Měnase djeung Josia.
(2 Radja 21-23; 2 Babad 33-35.)

1. Hiskia diganti koe Měnase poetrana. Děmi Měnase teh milampah noe goreng di pajoeneun Pangeran, noeroetkeun kagiroekan bangsa-bangsa, saperti Abas teja; datang ka migawe goreng alah batan sakoer anoe heulaeun andjeunna. Mana Pangeran ngadatangkeun ka Joeda kapala-kapala balad radja Asoer; toeloej Měnase koe eta ditangkěp, make oeneuk, sarta dirante tambaga, bari seug diiringkeun ka Baboel. Děmi keur mangsa kasoekěran, andjeunna noenoehoen ka pajoeneun Pangeran, bari langkoeng-langkoeng nja ngahandapkeun andjeun ka pajoeneun Allah karoehoenna. Seug panědana koe Pangeran ditarima, sarta panoeboenna dimakboel; toeloej kos Pangeran dipoelangkeun deui ka Jeroesalem, ka karadjaänana. Kakarek Měnase těrangeun, jen Pangeran djoeměněng Allah. Toeloej andjeunna njingkirkeun aällahan, sarta marentah ka oerang Joeda koedoe ngabakti ka Pangeran. Ari Měnase geus poepoes, toeloej Amon poetrana noe ngaganti. Děmi Amon teh milampah noe goreng di pajoeneun Pangeran, sakoemaha lampah Měnase ramana teja. Djeung deui Amon teh hanteu ngahandapkeun [ 226 ]andjeun ka pajoeneun Pangeran; lain tjara Menase ramana. Ari geus ngaradjaän doewa taoen lilana, seug mantri-mantrina Bakarait ngamoesoeh ka andjeunna; pek andjeunna koe eta dipaehan di djěro gédongna.

2. Amon diganti koe Josia poetrana, noe keur oemoer dalapan taoen. Děmi Josia teh milampah noe běněr di pajoeneun Pangeran. Ari dina mangsa kadalapan taoenna, keur andjeunna moerangkalih keneh, andjeunna ngamimitian nejangan Allah Dawoed ramana, sarta dina kaloewa-welas taoenna andjeunna ngamimitian ngabérésihan Joeda djeung Jeroesalem, ngaleungitkeun ěnggon laloehoer sarta dibongkar sakoer altar Baäl-Baäl, djeung gedong Pangeran diomean. Barang eta diome, panghoeloe Hiskia měndak Kitab Toret Pangeran, dina gedong Allah, nja eta Kitab Toret noe dilantarankeun koe Moesa teja. Eta kitab disanggakeun ka radja; seug diadji di pajoeneunana. Ari geus kitoe, mangsa radja geus ngadangoe lahiran Toret, seug andjeunna njosoëk panganggona, bari ngalahir: „Rosa pisan běndoening Pangeran, noe dikoetjoerkeun ka oerang, tina sabab karoehoen oerang teu naroeroet ka pangandika Pangeran, teu milampah sakoemaha noe dioengělkeun dina ijeu kitab.” (¹) Toeloej radja ngoetoesan ka Hoelda, nabi istri, soepaja mangnaroskeun andjeunna ka Pangeran, hal lahiran eta kitab teh. Misaoer istri teh ka piwarangan radja: „Kijeu timbalan Pangeran: Masing njaho, kami rek ngadatangkeun katjilakaän ka ijeu ěnggon sarta ka priboemina, nja eta sakabeh panjapa, noe kaoengëlkeun dina kitab, anoe diadji di bareupeun radja Joeda teja, tina sabab geus naringgalkeun ka kami, sarta ngaroekoes ka aällahan. Děmi ka radja Joeda koedoe kijeu nja mopojan: Sapedah hate manch djadi leuleus, sarta maneh ngahandapkeun diri di pajoeneun Allah, sanggeus manch ngadenge lahiran teja, djeung ojosoëk papakean maneh bari tjeurik di pajoeneun kami, noe matak maneh teh koe kami rek dirijoengkeun ka pakoehoeran maneh djeung kasenangan, sarta panon maneh moal nendjo sakoer katjilakaan, [ 227 ]noe koe kami bakal didatangkeun ka ijeu enggon sarta ka priboemina.”

(¹) Mangsa radja agans panjapa-panjapa, noe geus diteundeun koe nabi Moesa ka bangsa Israil asal eta dek moertad (tendjokenn 3 Moesa 26; 5 Moesa 28), ladjěng radja teh térangeun, ari hoekoeman Allah geus ninggang ka bangsa Israil.

3. Tidinja radja miwarangan, seug karoempoel ka andjeunna sakabeh oerang Joeda djeung sakabeh priboemi Jeroesalem, noe leutik reudjeung noe gede; geus kitoe ngaos di gědong Pangeran savengěling Kitab pěrdjandjian teja, malar kadenge koe sarereja. Ari radja ngadaměl pěrdjangdjian ka pajoeneun Pangeran, sědja anoet ka Pangeran, sarta sědja ngestikeun timbalanana. Sarta salobana djalma-djalma pada mandjing kana eta pěrdjangdjian. Geus kitoe radja ladjěng bae ngeuweuhkeun sarta ngaroeksakkeun sakabeh enggon loehoer, djeung altar-altar, sarta brahala beunang ngadaměl Měnase djeung Abas. Nja kitoe deui altar noe di Bet-El, sarta enggon loehoer beunang ngadaměl Jarobam, koe andjeuuna diboerak-barik. Ari toelang-taleng para panghoeloe noe geus ngoekoes dina altar teh, diala tina astana, seg didoeroek dina eta altar, ditjamahan; geus boekti pangandika Pangeran, noe dioewarkeun koe piwarangan Allah, anoe ngoewarkeun sagala pěrkara noe tadi teja (§ 73, 3). Tidínja radja nimbalan ka sakabeh djalma-djalma, koedoe ngalampahkeun paska ka Pangeran, noeroetkeun noe kaoengělkeun dina Kitab pěrdjangdjian teja. Saheulaeun andjeunna taja radja noe nandingan, anoe tobat ka Pangeran sakitoe těroes djeung manahna, noeroetkeun saeusina Toret Moesa.

§ 85. Nabi Nahoem, Habakoek, Sěpanya djeung Jermia.

1. Mangsa harita di karadjaän Joeda, kadjaba Hoelda, nabi istri teja, aja deui nabi Nahoem, Habakoek, Sepanya djeung Jermia. Koe Nahoem dipiwědjang Niněwe bakal dibasmi. Habakoek ngoewarkeun, jen Joeda bakal dibeunangkeun koe oerang Kasdim, djeung deui oerang Kasdim mengke dihoekoem koe Pangeran. Ari dina pasal 2:4 piwoeroekna kijeu: [ 228 ]„Ari djalma bener mah pihiroepeunana koe kapěrtjajaän.” (Tendjokeun Roem 1:17.) Sěpanya miwědjang Jěroesalem gan. tjang rek dihoekoem koe Allah. Djeung deui moenggoeh djaman Djoeroe-salamět kijeu piwoeroekna (pasal 3: 9): „Didinja biwir bangsa-bangsa koe kami tangtoe disalin koe biwir běrěsih, soepaja pada sasamhat kabeh kana djěněngan Pangeran, soepaja pada koemawoela ka andjeunna toenggal sataktak.” Jěrmia didjěněngkeun nabi keur ngora keneh, mangaa Josia djoeměněng radja. Pioendjoekna ka Pangeran: „Noen Goesti Pangeran! saleresna simkoering hanteu bisa sasaoeran, karantën simkoering ngora keneh.” Děmi timbalan Pangeran kaandjeunna: „Oelah maneh ngomong jen: simkoering teh ngora; karana ka mana bae maneh koe kami dipiwarang, maneh koedoe leumpang; sarta naon bae noe koe kami ka maneh ditimbalkeun, koe maneh koedoe diomongkeun. Masing nganjahokeun, kami geus ngajakeun pangandika kami dina biwir maneh. Mangka ingět, maneh poë jeu koe kami geus didjěněngkeun njëkěl bangsa-bangsa djeung njekel karadjaän-karadjaän, baris ngaraboet djeung baris ngababoet, kitoe deui baris ngagèmpoer sarta baris noempoer, baris ngadegkeun djeung baris mělak.”

2. Pandeurieun Josia aja deui radja-radja noe marigawe anoe goreng di pajoeneun Pangeran, soepaja para gegeden, djeung para panghoeloe, sarta sabangsa Joeda beuki tambah bae kagorenganana. Kitoe noe matak Jěrmia ngoewarkeun, Joeda koe Pangeran bakal diselehkeun ka leungeun oerang Kaşdim, toeloej koe eta dibarojong ka Baboel. Tapi euweuh noe pěrtjaja ka pangandikana. Malah-malah kitab piwědjang beunang ngarang koe Jěrmia, koe radja dipotong koe peso, bari dipitjeun kana seuneu. Toeloej koe andjeunna dikarang kitab sedjen, oengělna loba piwoeroek batan noe tadi. Jěrmia koe oerang Joeda diteungteuinganan teu eureun-eareun. Hidji mangsa digoebroeskeun ka soemoer noe taja tjai, ngan leutak bae. Tatapi aja Ebed Melek, oerang Haběsi, noe djadi ponggawa radja, eta mangnědakeun Jěrmia ka radja; toeloej dihandjatkeun [ 229 ]ti djěro soemoer, samemeh kaboeroe maot. Děmi koe Pangeran andjeunna didjadikeun ibarat nagara reugreug, djeung ibarat tihang beusi, sarta ibarat koeta tambaga, soepaja bisa naban ka saeusi tanah; ka radja-radja Joeda, ka kapala-kapala, ka panghoeloe-panghoeloe, sarta ka djalma-djalma ensi tanah,” Moenggoeh djaman Djoeroe-salamět kijeu piwědjangna pasal 31:31-33: „Masing njaho, pidatangan mangsa, lahiran Pangeran, didinja kami bakal ngadaměl pěrdjangdjian anjar ka anakintjoe Israil. Kami rek ngalelerkeun toret kami ka djëro batinna, sarta rek ditoeliskeun koe kami dina hatena.” Pas. 33 : 14–17: „Dina manysa eta kami bakal ngabidjilkeun pikeun Dawoed hidji siroeng noe běněr; nja eta bakal ngalampahkeun kaadilan djeung kaběnéran di boemi; sarta kijeu pingaraneunana noe bakal diseboet: Pangeran kaběněran oerang.”

§ 86. Panganggeusan karadjaän Joeda.
(2 Radja 24, 25; 2 Babad 36; Jer. 42-44.)

1. Keur djaman radja Jojakim, poetra Josia, djěboel Něboekadnesar, radja Baboel; seug Jojakim ngawoela ka eta. Sarta aja toeroenan radja, djeung gegěden tanah Joeda, noe koe Něboekadnesar dibarojong ka Baboel. Di lebah eta noe dibarojong, pangheulana aja nabi Daniël (nja eta 606 taoen samemeh Kristoes diowokeun). Ti waktoe harita tepi ka oerang Jahoedi wangsoel deui ka tanahna aja 70 taoen. Sanggeus tiloe taoen Jojakim moengkir, baba ka Něboekadnesar. Toeloej dirante tambaga, dek diiringkeun ka Baboel. Hanteu pati lila deui poepoes. Ari Jojakin poetrana noe ngaganti djadi radja, sarta ngaradjaänana 3 boelan bae. Tidinja Něboekadnesar soemping. deui, sarta Jeroesalem dikěpoeng. Geus kitoe Jojakin ka loewar ka radja Baboel. Toeloej Něboekadnesar ngabidjilkeun ti dinja sakabeh radja-brana gědong Pangeran reudjeung doenya-brana gědong radja. Ari Jojakin djeung sakabeh oerang Jeroesalem dibojong, katoet sakabeh kapala djeung sakabeh noe gagahpěrkosa; dalah sakabeh toekang kai djeung pandaj taja noe [ 230 ]dikarikeun, kadjaba djalma eusi tanah noe mariskin. Ari Sidkia, mamang Jojakin, koe radja Baboel didjěněngkeun radja, ngaganti Jojakin.

2. Ari Sidkia teh milampah noe goreng di pajoeneun Pangeran; Barta mangsa kasalapan taoenna andjeunna djoeměněng radja, seug moengkir ka radja Baboel, sanadjan koe nabi Jěrmia diwoeroek koedoe ngawoela ka andjeunna. Děmi geus kitoe Něboekadnesar soemping deui, sarta Jěroesalem koe andjeunna dilingkoengan katiloe kalina, datang ka bangět nja patjěklik di djěro nagara. Toeloej nagara teh bědah, sarta sakabeh pradjoerit ngalolos ti penting, sanggeus dikepoengan doewa taoen lilana. Pek Sidkia ditangkěp koe oerang Kasdim, bari seug dideuheuskeun ka radja Baboel; toeloej andjeunna dihoekoeman. Ari poetra Sidkia Loe paměgět dipareuntjit di pajoeneun sotjana; seg sotja Sidkia dilolongkeun, djeung salirana dirante tambaga, bari andjeunna toeloej dibawa ka Baboel. Toeloej gědong Pangeran, djeung gědong radja, sarta sakabeh imah noe di Jéroesalem dihoeroean koe seuneu. Ari koeta Jéroesalem sakoeriling dibongkar. Djeung deui sesa djalma dibojong ka Baboel. Tatapi eusi tanah noe miskin mah ditinggalkeun sawareh, baris ngěbon anggoer djeung milampah tani. Ari noe doewa pilar tambaga, noe di gědong Pangeran, sarta sakabeh parabot tambaga, kitoe deui sagala barang ěmas djeung perak, dibawa ka Baboel ka gědong aallahan. Demi moenggoeh djalma-djalma noe kari di tanah Joeda, koe Něboekadnesar didjěněngkeun Gědalja, djadi goepěrnoer. Eta tjalik di nagara Míspa.

3. Mangsa Jeroesalem dikepoeng, nabi Jěrmia aja di pandjara, noeroetkeun timbalan Sidkia. Ari moenggoeh andjeunna radja Baboel nimbalan, oelah dipilampah kijeu-kijeu noe goreng; moen hajangeun tětěp di tanah Joeda, sing tětěp. Kitoe noe matak tjalikna di Gědalja. Koe andjeunna didaměl „Njanjian Nalangsa”, koe tina sabab Jeroesalem dibongkar. Kijeu mimitina Njanjian teh: „Amboe-amboe, sakitoe dijoekna tjoenggělik eta nagara, noe tadina soegih djalma! Eta noe tadina gede di [ 231 ]pělěbah bangsa-bangsa, noe djadi kapala di pětěbah tjoetak-tjoetak, kamistian koemawoela.” Ari Gědalja misaoer ka sesana djalma-djalma teja: „Montong sarijeun; tjarítjing bae dina ijeu tanah, bari pada ngawoela ka radja Baboel, tangtoe maraneh djamoega.” Děmi Ismail, noe kaäsoep toeroenan radja, mawa 10 djalma deui, pek njarabět ka Gedalja, sarta dongkap ka poepoes; kitoe deui njabětan oerang Jahoedi djeung oerang Kasdim, anoe reureudjeungan djeung Gědalja di Mispa. Toeloej sakabeh djalma, gede-leutik, pada dangdan, bral laleumpang ka Měsir; karana sarijeuneun koe oerang Kasdim. Ari Jěrmia koe maranehanana dibawa miloe ka Měsir. Di dinja oge andjeunna ngoewarkeun ka darinja, jen kalakoeanana goreng; noe matak Jěrmia koe oerang Jahoedi dibaledogan koe batoe, datang ka poepoes.


PASAL VI.
Oerang Jahoedi eukeur di Baboel sarta poelangna ka Kanaan.
$ 87. Nabi Jěheskel.

1. Di pělěbah oerang Jahoedi anoe dibojong ka Baboel araja oge nabi palsoe. Oerang Jahoedi koe eta diangsonan ngalawan ka radja. Tidinja nabi Jěrmia ngintoenkeun serat ka bojongan teh, anoe kijeu oengělna: „Kijeu timbalan Pangeran sawadyabalad, Allah Israil, ka sakabeh bobojongan anoe koe kami disina dibojong ti Jeroesalem ka Baboel: Koedoe njarijeun imah, sarta koe maraneh areusian; djeung koedoe njarijeun këbon, sarta koe maraneh hakan boewahna. Djeung koedoe pada nejangan pisalaměteun eta nagara noe ditjitjingan, sarta koedoe dipangnedakeun ka Pangeran; karana salamět eta, tangtoe maraneh salamět deui. Dimana geus djědjěg ha Baboel anoe 70 taoen teja, tangtoe kami ngaboektikeun ka maraneh pangandika kami noe matak ngeunah teja, nja eta maraneh dipoelangkeun deui ka ijeu ěnggon. Karana kami hanteu samar dina pikersaeun, anoe koe kami dikërsakeun hal maraneh, lahiran Pangeran; nja pikërsaeun noe matak salamět, lain matak tjilaka.” (Jěrmia 29.) [ 232 ]2. Nja kitoe deui piwědjang nabi Jěheskel. Mangsa Jeroesalem tatjan dibongkar, reja bobojongan noe pertjaja ka nabi-nabi palsos teja, sarta bari ngarep-ngarep, moal lila deui bakal maroelang ka tanahna. Koe Jěheskel mah (eta aja di Baboel) dipiwědjang Jeroesalem tangtoe diboerak-barik; kitoe deui gědong Pangeran. Ari Jěheskel teh ngalilipoer ongkoh ka bangsana, kijeu lahirna pasal 34: 23: „Kijeu timbalan Pangeran: Kami bakal ngadegkeun hidji pangangon, njangking ka domba kami; nja eta noe pingangoneun ka maranehanana, sarta nja eta noe pidjadieun pangangon maranehanana.” Pasal 36: 26 dj. 27: „Sarta maraneh koe kami rek dipaparin hate anjar, djeung kami rek maparin roh anjar di djero batin maraneh; sarta hate bangsa batoe koe kami rek disingkirkeun ti djero awak maraneh, bari maraneh dipaparin hate bangsa daging. Sarta kami rek maparin Roh kami di djero batin maraneh, djeung maraneh koe kami rek disina ngalakonan pikoekoeh kami, sarta maraneh bakal ngestoekeun hoekoem kami djeung dilampahkeunana.”

3. Hidji mangsa Jěheskel aja titingalian, anoe koe andjeunna ditjarijoskeun kijeu (pas. 37): „Kaoela ditoempangan panangan Pangeran, bari ladjeng diteundeun di tengah hidji lebak; ari eta pinoeh koe toelang; sarta, doemadakan, gararing pisan. Ladjeng andjeunna nimbalan ka kaoela: Eh anak Adam! koemaka eta toeloeng-toelang pihariroepeun deui? Ari pioendjoek kaoela: Noen, Goesti Pangeran! andjeun noe langkoeng oeninga. Timbalanana deui ka kaoela: Maneh geura ngareědjang hal eta toelang-toelang. Prak kaoela ngawědjang, sakoemaha timbalanana ka kaoela teja. Děr aja sora; sarta doemadakan, aja lini; heug toelang-toelang teh silih-sampeurkeun toelang ka pada toelangna. Beh koe kaoela katendjo, doemadakan, eta geus pada oeratan sarta daging keur djadi, toeloej ditoetoepan koelit saloewarna; ngan tatjun aja roh di djěrona. Ladjeng andjeunna nimbalan ka kaoela: Maneh geura ngawědjang kana roh! Kijeu timbalan Goesti Pangeran: Eh roh! geura ka dijeu ti noe opat angin, koedoe nijoep ka eta eta noe dipareuntjitan, sina hariroep deui. Prak [ 233 ]kaoela ngawědjang sakoemaha timbalanana ka kaoela teja. Seug roh teh datang, asoep ka eta sakabeh, toeloej hariroep, neut narangtoeng, balad gède teu kira-kira. Timbalanana deui ka kaoela: Eh anak Adam! ari eta toelang-toelang nandakeun sakabeh anak-intjoe Israil.”

4. Bobojongan di Baboel nja djamoega pisan, matak reja anoe roemasa dirina bětah di tanah sedjen, hanteu hajang balik ka Jēroesalem. Balikan reja deui anoe njoso hajang baralik, sonoëun ka Jeroesalem, sarta ka kabah, djeung kana ngabakti ka Pangeran di djero gědongna. Anoe kitoe teh sok ngaromong kijeu: (Djaboer 137). „Sisi bangawan-bangawan Baboel, nja di dinja kaoela darijoek, malah kaoela tjareurik, satijap-tijap ras aringët ka Sion. Dina waroe lot noe araja di djèro tanah eta, kaoela pada ngagantoengkeun katjapi-katjapi kaoela. Karana di dinja djalma noe ngabojong kaoela pada nitah ka kaoela ngoengělkeun poepoedjian, sarta noe njungsarakeun ka kaoela pada nitah boengah; polna: Dewek pangnjaranjikeun salah-sahidji poepoedjian Sion! Koemaha kaoela nja rek nganjaranjikeun poepoedjian Pangeran di tanah bangsa sedjen? Oepama kaoela datang ka poho ka maneh, Jeroesalem! leungeun kaoela katoehoe sing poho ka dirina! Letah kavela sing rapět kana lalangit, oepama kaoela datang ka teu inget ka maneh, oepama kaoela datang ka teu ngadjoengdjoengkeun Jeroesalem ti batan kaboengahan kaoela noe pangoentjoelna."

§ 88. Nabi Daniël keur mangsa Něboekadnesar.
(Daniël 1-4.)

1. Radja Něboekadnesar marentah ka kapala mantri djěro andjeunna, koedoe njanggakeun djalma ngalora ti lebah oerang Israil, teges ti toeroenan radja, djeung ti para menak; nja djalma ngalora noe oetama djadi toekang marěk di padaliman radja; sarta koedoe pada dipagaban kitab, kitoe deui basa Kasdim. Malah radja nangtoekeun pibagianeunana dina oenggal-oenggal poë tina kadaharan radja djeung tina anggoer leueutanana. Děmi dina lõbah eta djalma ngalora aja Daniël, Hananya, [ 234 ]Misael djeung Asarja, pada kaäsoep oerang Joeda. Ari koe kapala mantri djero pada dibere ngaran; nja eta Daniël dilandi Beltésasar, Hananya dilandi Sadrak, Misael dilandi Mesak, djeung Asarja dilandi Abed-Négo. Děmi Daniël nangtoekeun dina ati, moal ngaregědkeun maneh koe kadabaran radja noe sok haram, noeroetkeun Toret Moesa, Djeung Daniël panoenoehoen ka kapala mantri djěro, moegi pada dipaparin sipat beunang njëbar pitědaeun, kitoe deui tjai pikeun inoemeun. Ari saoer kapala mantri djero teh ka Daniël: „Kami teh sijeun koe goesti sang radja; karana koemaha, lamoen ningali pasemon oedjang karoetjem, beda djeung djalma ngalora noe saoemoer djeung oedjang?” Mihatoer Daniël: „Moegi pada didjadjal watěs 10 dintěn.” Ari mantri teh ngagoegoe ka darinja dina eta pěrkara. Geus toetoep noe 10 poë teh, katingali roepa eta 4 djalma leuwih aloes, djeung awakna leuwih lintoeh ti batan sakabeh djalma ngora, noe ngahakan kadaharan radja. Děmi eta djalma ngora noe opatan teja koe Allah dipaparin kanjalo, sarta paham dina sakabeh kitab djeung kapintěran. Ari geus toetoep mangsana noe diparentahkeun koe radja, toeloej koe kapala mantri djero pada disanggakeun ka Něboekadnesar. Ari sagala pěrkara kapintěran djeung pangartian, noe koe radja dipariksakeun ka darinja, pada kapěndak sapoeloeh patikělaneun ngoengkoelan ti sakabeh pandita djeung djoeroe těnoeng, noe aja di sakaradjaänana.

2. Sanggeus kitoe Něboekadnesar ngimpen; beug manahna goelinggasahan, sarta andjeunna kanděg koelěmna. Tidinja radja miwarang njaoer pandita-pandita djeung djoeroe-djoeroe těnoeng, kitoe deui taroekang sihir (nja eta para boedjangga), soepaja ngoeningakeun ka radja eta impenanana djeung pibaloekareunana. Ngawangsoel para boedjangga: „Noen, taja pisan djalma di sadjagat kabeh, noe bisa ngoendjoekkeun eta pěrkawis ka sang radja.” Tina sabab kitoe radja teh běndoe, bari sewot katjida, sarta radja marentah, sakabeh boedjangga di Baboel koedoe digempoer. Malah Daniël djeung rentjang-rentjangna [ 235 ]ditejangan, bakal dipareuntjit. Gantjang Daniël ngadeuheus, sarta noenoehoen ka radja, moegi dipaparin tempo. Tidinja moelang ka boemina, sarta kaopat rentjang-rentjangna pada njoehoenkeun kawělasan ti pajoeneun Allah, hal eta rasijah. Tidinja eta rasijab diëbrehkeun ka Daniël dina tetendjoan ti penting; toeloej Daniel moedji soekoer ka Allah sawarga. Seug andjeunna ngadeuheus ka radja, sarta kijeu pioendjoekna: „Aja Allah di sawarga, noe ngebrehkeun rasijah; sarong andjeunna geus maparin njaho ka radja Něboekadnesar pěrkawis noe pidjadieun dina ahir djaman. Koe andjeunna, noen sang radja! katingali, beh aja hidji djadjalmaän djangkoeng gěde, sareng sorotna montjorong; nangtoengna di pajoeneun andjeun, sareng roepana matak baloewas. Nja eta djadjalmaän teh hoeloena emas aloes, dadana sareng leungeunna perak, beuteungna sareng pingpingna tambaga, bitisna beusi, doepi soekoena saparo beusi, saparo taneuh liket. Koe andjeun ditingali, dongkap ka aja batoe ngagolosor, teu kalawan leungeun, ngadoepak ka eta djadjalmaän, nindih kana soekoena. Tidinja eta beusi taneuh likět, tambaga perak sareng omas teja boeboek bareng sapisan. Doepi eta batoe teja djadi goenoeng gede, moenggah ngeusian sadjagat kabeh. Tah, kitoe impenanana; doepi pibaloekareunana ajeuna bade dioendjoekkeun ka pajoeneun sang radja. Nja andjeun anoe diibaratkeun hoeloe émas teja. Doepi saparantos andjeun pingadegeun hidji karadjaän sanes, katjek koe noe andjeun; woeh karadjaän katiloe, sanes deui, sipat tambaga; nja eta bakal kawasa ka sadjagat kabeh. Ari karadjaän noe kaopat bakal teuas sapertos beusi. Doepi pěrkawis beusi saparo, taneuh liket saparo, nandakeun eta teh karadjaän paběngkah. Děmi keur djaman eta radja-radja, ladjong Allah sawarga bade ngadegkeun hidji karadjaän anoe moal diroeksakkeun salalanggengna, sareng eta kadjěněngan moal ditoeroenkeun ka bangsa sanes; saleresna eta bakal ngaboeboekkeun sareng ngeuweuhkeun sadajana karadjaån noe tadi, doepi djinisna mah pitětěpeun salalanggěngna.” Tidinja radja Něboekadnesar broek njoeoeb, bari soedjoed ka [ 236 ]Daniel, sarta ngawalon, kijeu lahirna: „Saěnja-ěnjana, Allah maraneb, nja eta bataraning sagala batara, toer jasaeun ngebrehkeun rasijah.” Tidinja radja ngagoengkeun ka Daniël, didjěněngkeun njangking satanah Baboel, sarta didjěněngkeun kapala para boedjangga di Baboel.

3. Hidji mangsa radja Něboekadnesar ngadaměl hidji djadjalmaan emas, djangkoengna 60 asta, sarta radja nimbalan, saba-saha noe teu měnděk sarta soedjoed ka djadjalmaän teh, eta sapada harita tangtoe digoebroeskeun ka djero pameuleuman seuneu hoeroeng. Tina perkara eta aja noe ngadareuheusan, ngistorikeun tiloe rentjang Daniël teja, da eta teu ngestokeun timbalan radja teh. Tidinja Néboekadnesar miwarang ngala eta Sadrak, Mesak djeung Abed-Négo; ladjeng ngalahir ka darinja: „Oepama maraneh teu saroedjoed mah, sapada-harita maraneh tangtoe digoebroeskeun ka pameuleuman seuneu hoeroeng; djeung saha batara, noe pibisaeun ngaleupaskeun maraneh ti leungeun kami?” Ngawangsoel Sadrak, Mesak djeung Abed-Něgo: „Noen sang Něboekadnesar! Madak kitoe mah, Allah simkoering langkoeng ijasa ngaleupaskeun simkoering ti djero pameuleuman seuneu hoeroeng. Nadjan teu dileupaskeun ge, sing kaceningakeun koe andjeun, sang praboe! ari ka batara andjeun simkoering taja pangintěn ngabakti, sareng ka djadjalmaan ěmas teja simkoering taja panginten soedjoed.” Tidinja Něboekadnesar djadi pinoeh koe běndoe. Pok andjeunna nimbalan, koedoe geura dipanaskeun pameuleuman, toedjoeb patikõlaneun dipanaskeunana sasari. Pek eta tiloe djalma diringkoes, boes pada digoebroeskeun ka djěrona. Tidinja radja Něboekadnesar kageteun; neut ngadeg bari njeblak; pok ngalahir ka para pangrěmpaganana: „Naha lain tiloe djalma, noe koe oerang digoebroeskeun ka djéro seuneu teh? Toeh, kami nendjo djalma opat, pada oetjoel, leuleumpangan di djero seuneu, sarta taja pisan tjotjengna; ari roepana noe kaopat siga poetra batara.” Tidinja Něboekadnesar ngadeukeutan kana lawang eta pameuleuman, kijeu lahirna: „Eb, abdi Allah noe leuwih agoeng! geura baridjil, bijap ka darijeu!” [ 237 ]Djol pada ka loewar ti djero seuneu, sarta seunou teh teu kawasa ka salira eta djalma-djalma; ari ramboetna hanteu toetoeng, djeung lantjinganana hanteu ganti roepa, malah djinisna teu kasorang baoe seunen-seuncu atjan. Ngalahir Něboekadnesar: Sagala poedji ka Allah, noe geua miwarang malaikatna, djeung ngaleupaskeun abdina, noe ngaranděl ka andjeunna. Mana kami mere parentah, sing saha-saha bangsa, kaom atawa basa, noe ngomong ngagorengkeun ka Allah Sadrak, Mesak djeung Abed-Négo, eta mangke dipotong-potong; sabab teja deui batara noe bisa ngaleupaskeun tjara kitoe pětana.” Tidinja radja ngaloeloeskeun eta tiloe djalma dina tanah Baboel.

4. Sanggeus kitoe radja Něboekadnesar ngimpen deui; kijeu impianana: Aja hidji kai, nja gěde nja koewat, djeung loehoerna něpi ka langit, wani katendjona něpi ka satoengtoeng boemi. Ari sasatoan darat ngijoehan di handapeunana, djeung manoek-manoek awang-awang pada ngenggon dina dahan-dahanna. Beh aja hidji djoeroe kěmit, sarta soetji, loengsoer ti langit. Eta seg njaoer: „Ijeu kai geura toewar, ngan ari toenggoel djeung akarna mah karikeun dina taneuh, sarta těrapan rante beusi djeung tambaga dina djoekoet togal; djeung sina kabaseuhan koe tji-iboen awang-awang, sarta sína sadoeoem djeung sasatoan dina djoekoet boemi. Hatena hate manoesa bakal diganti, nja dipaparin hate sato; sarta toedjoeh mangsa pinjorangeun ka dinja ganti-ganti. Eta kitoe dawoehan tina poetoesan para djoeros-kčmit; noe dipandang, soepaja sakoer noe goemělar pada nganjahokeun, jen noe Langkoeng Agoeng teja noe kawasa ka sagala karadjaän manoesa.” Ari sagala boedjangga Baboel teu barisaeun nganjahokenn pibaloekareunana. Ahir-ahir Daniël ngadeubeusan ka radja, sarta ngalahir kijeu: „Eta kai tob nja andjeun, sang radja, noe geus djadi ageng aja koewat; sareng kawasa andjeun dongkap ka toengtoeng boemi. Doepi andjeun teh bade disoentroengkeun ti bangsa manoesa, nja pingěnggoneun sasarengan sasatoan tegal; eta andjeun bade disina dahar djoekoet sapěrtos sapi. Ari karadjaän andjean pitětěpeun deui ka andjeun, dimana andjeun [ 238 ]geus ngoeningakeun, jen Sawarga noe njangking kawasa. Koe pěrkawis eta, noen sang radja! moegi-moegi kamanah ijeu pihatoer simkoering, sareng moegi mitjeun dosa andjeun, gěntos koe kaběněran, malah-mandar dipandjangkeun kagěnahan andjeun.” Sakabeh noe tadi teja toeměrap ka radja Nēboekadnesar. Kaheuleutan 12 boelan, radja keur angkat-angkatan dina loehoer padaleman karadjaän di Baboel. Pok radja ngalahir, kijeu lahirna: Naha eta lain Baboel gede, beunang aing njijeun baris dajeuh karadjaän, koe kabrdasan kawasa aing, sarta baris njohorkeun kamoeljaän aing?" Sabot eta kasaoeran aja dina lamběj radja, datang gentra ti langit, kijeu: „Maneh, radja Něboekadnesar! dibedjaän, karadjaän teh geus ingkah ti maneh.” Sapada-harita ge eta lahiran boekti ka Néboekadnesar; seg andjeunna djadi edan, disoentroengkeun ti bangsa manoesa, sarta daliar djoekoet saperti sapi, djeung salirana kabaseuhan koe tji-iboen awang-awang. Děmi geus toetoep mangsana, seg andjeunna tjéngkat, tanggah ka langit, sarta ingětanana datang deui; ladjong moedji ka noe Langkoeng Agoeng. Děmi karadjaänana ditětěpkeun deui ka andjeunna. Toeloej radja ngadatangkeun serat ka sakabehna bangsa, pikeun ngoewarkeun tanda djeung moedjidjat, noe geus didaměl ka andjeunna koe Allah noe langkoeng agoeng.

§ 89. Nabi Daniël keur mangsa radja Belsasar djeung Darioes.
(Daniël 5-9.)

1. Noe ngaganti Něboekadnesar, nja radja Belsasar. Hidji mangsa eta mestakeun rosa pisan ka para gegědenna. Barang keur ngaraos anggoer, Belsasar miwarang njokot pararabotan emas-perak, ben. nang Něboekadnesar ramana ngabidjilkeun tina kabah di Jeroesalem teja. Barang dianggo ngaleueut, pada maroedji ka aällahan sipat ĕmas, sipat perak, sipat tambaga, sipat beusi, sipat kai djeung sipat batoe. Waktoe harita keneh tembong ramo leungeun mancesa, keur noelis paběněran adjoeg, dina bilik kapoer padaleman radja. Tidinja radja teh owah tjabjana, djeung mamanahanana matak [ 239 ]njěblakkeun andjeunna. Heug radja miwarang sarta bědas, koedoe ngadouheuskeun djoeroe-djoeroe těnoeng, ahli-ahli Kasdim djeung djoeroe-djoeroe torah. Tapi taja noe bisaeun matja eta toelisan, Boemawonna ngoendjoekkeun panghartina ka radja. Pok radja istri (iboe radja) misaoer ka radja: „Aja hidji djalma dina karadjaän andjeun, anoe katjalikan soekma batara saroetji; noc mawi koe rama andjeun eta teh didjěněngkeun kapala para boedjangga di Baboel.” Gantjang Daniël dideuheuskeun ka pajoeneun radja. Pok radja ngalahir ka Daniël: „Oepama andika bisa matja eta toelisan, sarta ka kami nganjahokeun panghartina, tangtoe andika dipakeanan woengoe, djeung beubeung andika dikongkorongan emas, sarta andika didjadikeun pangkat katiloe dina karadjaän.” Tidinja Daniël ngawangsoel: „Pasihan andjeun soemangga tětěp di andjeun. Andjean hanteu ngarěndahkeun manah andjeun, sanadjan andjeun oeninga sadaja pěrkawis anoe toemérap ka Néboekadnesar, rama andjeun. Salérěsna andjeun ngagoengkeun pribadi, ngamaha ka Goestining sawarga; ari papu. rabotan gélongna koe andjeun ditjoemahkeun. Tidioja ti pajoeneun andjeunna didatangkeun sapotong leungeun, sarčng njërat eta toclisan. Děmi eta toelisan noe diserat teh kijeu: Měne, Těkel, Oeparsin. Kijeu panghartosna eta omongan: Mene hartosna: Allah geus ngetang lamina karadjaän andjeun, sareng geus didongkapkeun ka tjatjapna. Těkel, hartosna: andjeun geus ditimbang dina taradjoe, sareng kapěndak andjeun kirang. Peres (Parsin), hartosna: karadjaän andjeun geus dibeulah, sareng dipaparinkeun ka oerang Madajin sarawoch ka oerang Persi.” Tidinja Belsasar maparin timbalan, seug Daniël dipakeanan woengoe, sarta dioetarakeun jen didjadikeun pangkat katiloe dina karadjaän. Ari dina peuting harita keneh Belsasar dipaehan, toeloej Darioes, radja Madajin, njangking karadjaanana.

2. Ari Darioes ngadjěněngkeun 120 goepěrnoer, baris njangking karadjaän. Ari noe njangking ka eta, aja tiloe papatih, sarta noe hidji Daniel. Tidinja Daniël teh ngabajahkeun ka kantja [ 240 ]papatih djeung ka para goepěrnoer, tina sabah katjalikan soekma poendjoel; mana radja aja pikersaeun Daniël rek didjenčngkeun njangking sakaradjaän kabeh. Tidinja eta kantja papatih reudjeung para goepěrnoer pada nejangan pisababeun hajang meunang keur ngělakkeun Daniël hal karadjaän. Geus kitoe eta aroendjoekan ka radja kijeu: „Noen sang radja Darioes! něda radja makonkeun papakon, sareng nangtoskeun larangan, jen saha-saha noe njoehoenkeun naon-naon ka saha bae, ka batara atanapi ka manoesa, sadjěro 30 dintěn, kadjabi ka andjeun, sang radja, nja eta tanwande digoebroeskeun ka gorowong singa.” Tina sabab eta pihatoer, radja Darioes teh toeloej nawis sěrat djeung larangan kitoe. Mangsa Daniël terangeun, jen geus ditawis Berat kitoe, toeloej Daniël asoop ka boemina; (děmi Daniël teh dina lotengna make djandela molongpong, njanghareup ka Jeroesalem); sarta tiloe waktoe sapoë Daniël teh tapak-toeoer, něněda djeung moedji-soekoer ka Allah, koemaha lampahna ti bareto. Tidinja djalma teja ragěm daratang, njampak Daniël keur věněda. Gantjang pada ngadeuheusan, bari ngělakkeun andjeunna. Barang radja ngadangoe omongan kitoe, kalangkoeng-langkoeng nja ngangrès, sarta ngamanah-manah ka Daniël, hojongeun ngaleupaskeun inja. Tatapi eta djalma ragěm aroendjoekan: „Noen, sang radja! moegi emoet, jen parentah Madajin sareng Persi, ari sadajana papakon radja hanteu kenging dirobahkeun.” Tidinja radja maparin timbalan, seug Daniël diala, bari toeloej digoebroeskeun ka gorowong singa. Pok radja ngalahir, kijeu lahirua ka Daniël: „Allah andika, noe koe andika dibakti teu pětot-pětot, nja eta moegi ngaloepoetkeun ka andika! Tidinja radja saoem sapeupeuting, sarta teu jasaeun koelem. Geus kitoe, barang braj padjar tangbi, toeloej angkat gagantjangan ka gorowong singa teja. Ari geus deukeut ka gorowong teh, radja njambat ka Daniël, gěntrana mělas-mělis; lahirna kijeu: Eh, Daniël, abdi Allah noe djoeměněng! koemaha ari Allah, noe dibakti koe andika teu pětot-pětot, jasaeun ngaloepoetkeun andika tina singa?" Gantjang Daniël oendjoekan ka [ 241 ]radja: „Soemoehoen, Allah simkoering geus miwarang malaikatna, sareng ngabalěmkeun soengoet singa, taja noe ngaganggoe ka simkoering.” Tidinja radja kalangkoeng-langkoeng nja boengahna,

sarta miwarang Daniël koedoe dihandjatkeun tina gorowong; ladjeng djalma-djalma noe ngistorikeun Daniël teja pek pada digoebroeskeun ka gorowong singa. Ari eta tatjan narěpi kana dasar gorowong, geus dirarontok manten koe singa; nadjan toelangna ge sakabeh diboeboekkeun. Tidinja radja Darioes njeratan ka sakabeh bangsa: Ijeu kami mere parentah, jen di sawewengkon karadjaän kami koedoe pada ngagidir djeung sijeun di pajoeneun Allah Daniël; karana nja eta Allah noe djoeměněng, sarta tětěp salalanggengna; ari karadjaän andjeunna hanteu keuna roeksak. Andjeunna noe ijasa ngaleupaskeun djeung mitoeloeng, sarta andjeunna noe midaměl tanda djeung [ 242 ]moedjidjat.” Ari Daniël teja loeloes dina karadjaän Darioes, kitoe deui dina karadjaän Kores, bangan Persi.

3. Mangsa kahidji taoenna Belsasar teja djoeměněng radja Baboel, harita Daniël meunang tetendjoan, noe koe andjeunna ditoeliskeun kijeu: Noe opat angin awang-awang goeroedag ngagělěboeg ka laoet gede. Djeung opat sato galede aroenggah tina laoet, beda-beda batoer pada batoer. Koe kaoela ditendjo, datang ka aja noe neundeunan reja pangtjalikan; gek noe Lawas Joeswana linggih; panganggona bodas sapěrti saldjoe; ari pangtjalikanana seuneu roehaj. Mangreboe-reboe noe ngabakti ka andjeunna, djeung manglaksa-laksa noe aja di pajoeneunana; noe poerah ngahoekoeman gek tjaralik, seng aja kitab dibaroekakeun. Ari opat sato teh oemoerna dipandjangkeunana těpi ka mangsana djeung waktoena. Kaoela nendjo deui, beh aja noe soemping nitihan mega langit, roepana saperti poetra manoesa, sarta dongkapna ka noe Lawas Joeswana teja, seg dideubeuskeun ka pajoeneunana. Ladjeng dipaparin kadjěněngan, kahormatan djeung karadjaän, sarta sakabeh bangsa, kaom reudjeung basa toeloej pada ngabakti ka andjeunna; ari kadjěněngan andjelinna nja kadjěněngan langgeng, hanteu keuna euweuh, djeung karadjaänana hanteu keuna roeksak. Ari soekma kaoela ngěrik di djero pangawakeun; sor kaoela njampeurkeun ka noe ngaraděg di dinja saoerang, něda katěrangan noe saestoe bal sakabeh pěrkara noe tadi. Toeloej diwartakeun ka kaoela: Eta sato galede noe opat teja, ngoepamakeun opat radja, noe piarajaeun di boemi. Děmi noe pinampaeun karadjaän teh, nja eta djalma saroetji kagoengan noe Langkoeng Agoeng, sarta ngabogaänana karadjaän teh sačndeng-ěndeng, langgeng salalawasna.”

Ijen tetendjoan sabartina djeung împian Něbookadnesar noe taħidil. Laoet teh nandakeun sakabehna bangsa. Koe opat sato noe galéde teja dtoepamakeun eta opat karadjaãn, noe dina impian Něbookadnesar dioepamakeun koe ëmas, perak, tambaga, djeung beusi. Noe Lawas Joeswana nja eta Allah noe djoeračnèng, sarta Poetramanoesa nja eta Kristoes.

4. Mangsa kahidji taoenna djoeměněng Darioes, harita [ 243 ]Daniël meunang terang tina kitab-kitab dina rejana taoen, noe koe Pangeran geus diandikakeun ka nabi Jěrmia, hal pidjědjěgeunana narikolotna Jeroesalem, nja eta 70 taoen. Tina hal eta kijeu tjarijosna: „Tidinja kaoela něněda reudjeung noenoehoer, dibarengan poewasa, sarta make karoeng djeung lěboe. Prak kaoela něněda ka Pangeran, bari ngakoekeun dosa, kijeu paněda kaoela: „Noen, Goestil koering sadaja tarima dosa, sareng milampah bengkok, estoe pada njingkir tina timbalan andjeun. Andjeun, noen Goesti! kalangkoeng adil; doepi koering sadaja mah njandang kaeraän beungeut. Tina sabab dosa koering sadaja, noe mawi Jeroesalem sareng oemat andjeun gens djadi hinakeuneun sadajana noe aja di sakoeriling koering. Doopi ajeuna, noen Allah koering sadaja! moegi-moegi ngamakboel ka paněda abdi gamparan; kalajan moegi njaängkeun pameunteu andjeun ka kasoetjian andjeun, noe keur soewoeng, koe karana Goesti. Eb, Allah koering! moegi tingalikeun karoeksakan koering sadaja, kitoe deui nagara noe katělah koe padjěněngan andjeun; karantěn koering sadaja pangnjanggakeun panoenoehoen ka pajoeneun andjeun teh, lain tina kaběněran koering, jaktosna mah tina kawělasan andjeun noe langkoeng gede. Sabot kaoela keur oendjoekan keneh, barí něněda sarta ngakoekeun dosa sorangan readjeung dosa bangsa kaoela Israil, hol eta djalma Djabarail (noe bareto koe kaoela katendjo dina tetendjoan) hiber gasik, ngaragap ka kaoela, bari kijeu lahirna: „Eh, Daniël! ajeuna kaoela geus ijang baris netelakeun ka sampejan panghartina. Keur barangmimiti sampejan noenochoen, ka loewar pangandika, sarta kaoela datang bebedja, karana sampejan dipikarësěp; mana tégéskeun ijeu përkara, sarta hartikeun jeu tetendjoan. Toedjoeh poeloeh minggoe noe geus ditangtoskeun ka bangsa sampejan, baris noetoepkeun kamasijatan, djeung baris njatjapkeun dosa, pikeun ngadaměl karapihan tina sabab kadorakaän, sarta pikeun ngadatangkeun kaběněran langgeng. Ti wates ka loewar parentah ngabangoen deui Jeroesalem, sina didjelégkeun deui, tepi ka kangdjeng Kristoes, noe djadi gegědoeg, pililaeunana [ 244 ]7 minggoe djeung 62 minggoe. Děmi sanggeusna noe 62 minggoe teja, seug Kristoes teh bakal dibasmi. Sarta nagara djeung kasoetjian teh mengke diroeksakkeun koe bala hidji gégědoeg noe pidatangeun.”

Hidji minggoe, anoe diseboet di dijeu, nja 7 taoen lilana (§ 40, 1):
490 taoen deui dadamělan Gocsti Jesoes Kristocs tangtoe tjatjap.

§ 90. Radja istri Ester.

1. Keur mangsa Ahasweros, radja Madajin djeung Persi, andjeunna mestakeun ka sadaja kapalana djeung mantrina, lila pisan, 180 poë. Ari radja keur soeka manab koe tji-anggoer, seug nimbalan koedoe diala Wàsti, radja istri, kersana nembongkeun kageulisanana ka djalma-djalma djeung kapala-kapala. Děmi radja istri Wasti teu kersaeun ngadeuheusan. Toeloej radja běndoe langkoeng-langkoeng, sarta Wasti koe andjeunna dilisanan. Geus kitoe Ahasweros asiheun ka Ester, hidji landjang Jahoedi, anak pahatoe, anoe dikoekoet koe mamangna, noe ngaran Morděkai. Eta didjadikeun radja istri, ngaganti Wasti, sarta koe radja ditěrapan makoeta karadjaän. Děmi Ester teu ngoeningakeun asalna djeung bangsana, sakoemaha parentah Morděkai ka andjeunna. Sanggeusna sagala pěrkara noe tadi teja, radja Ahasweros ngagoengkeun Haman, didjoengdjoengkeun sarta dipaparin pangtjalikan loehoer ti pangtjalikan sakabeh kapala noe araja di andjeunna. Ari sakabeh abdi radja pada měnděk sarta njarěmbah ka Haman; děmi Morděkai mah hanteu. Seg Haman teh pinoch koe amběk. Tatapi rarasaän Haman tjoemah dek machan ka Morděkai woengkoel, anggoer nejangan djalan noempoerkeun sakabeh oerang Jahoedi dina sapoë bae. Tidinja Haman oendjoekan ka radja, aja hidji bangsa paboerantak nja pabarèntjaj, tjampoer sareng bangsa loba di karadjaänana. Seug eta bangsa koe radja dipaparin ka Haman. Toeloej dikirimkeun soerat-soerat koe lantaran pasoeratan ka saniskara tjoetak kagoengan radja, sina pada noempoerkeun sakabeh oerang Jahoedi, dina poë hidji, nja dina tanggal 13, boelan noe kadoewa-wělas; matak goejoer di lěbah sakabeh oerang Jahoedi. [ 245 ]2. Tidinja Morděkai ngirimkeun salinan soerat teja ka Ester; malah dititah ngomat-ngomatan ka Ester, sina ngadeuheusan ka radja, nědakeun bangsana ka pajoeneun radja. Tatapi aja timbalan radja, jen saha-saha noe ngadeuheus ka radja, ka boeroean djěro, hanteu kalawan disaoer, hoekoemna sabidji, nja dipaehan; kadjaba lamoen radja njodorkeun tětěkén émas ka dinja, soepaja hiroep. Kitoe noe matak Ester ngawangsoel ka Morděkai: Mangga, moedoe poewasa tina hal koering, beurang-peuting, tiloe poë lilana; koering oge sědja poewasa kitoe; nja djalan kitoe koering sědja ngadeuheus ka radja; sareng oepama koering dongkap ka tiwas mah, iklas tiwas oge." Děmi geus kitoe, dina poë noe katiloe Ester nganggo karadjaän, seug toeloej ngaděg di boeroean gědong radja, boeroean djèro teja. Barang radja ningali Ester, radja istri, seng Ester měndak koernija dina sotjans, sarta radja gantjang ka Ester njodorkeun tětěkčn ěmas, bari ngalahir: „Eh Ester! aja naon? sarta naon nja kahojong? tangtoe dibere, masih sabeulah karadjaän oge." Ari wangsoelan Ester: „Noen, madak sapoek sang radja, moegi-moegi sang radja dinten isoekan linggih sareng poen Haman kana toewang, anoe kenging simkoering njawiskeun bade sang radja." Tidinja Haman boengah sarta soeka ati; pokna: „Koe radja istri Ester taja noe ditjandak sareng radja kana toewang, kadjaba ti diri kavela. Tatapi eta teu hasil ka kaoela, salilana eta Jahoedi, si Morděkai teja, masih keneh katendjo koe kaoela dijoek dina lawang radja." Ngadjawab pamadjikanana ka dinja: „Saena miwarang njijeun panggantoengan, piloehoereunana 50 asta; sareng isoek kedah hatoeran ka radja, eta si Morděkai sina digantoeng ka inja." Ari eta pěrkara koe pangrasa. Haman piběněreun; prak nitah njijeun panggantoengan.

3. Dina peuting eta radja teu jasaeun koelém. Tidinja miwarang ngala kitab babad; seug diwatja di pajoeneun radja. Pareng měndak toelisan, jen Morděkai ngoeningakeun hal doewa mantri radja, noe pada nejangan djalan dek maehan ka radja Ahasweros teja. Mariksa radja: „Naon kahormatan atawa kaägoengan, noe geus digandjarkeun ka Morděkai tina hal kitoe teh?" [ 246 ]Ngawangsoel gandek-gandek radja: „Soemoehoen, teu digandjar naon-naon.” Kabénéran Haman geus datang, sědja oendjoekan ka radja, soepaja Morděkai digantoeng teja. Seug koe radja dipariksa: Tjik, djalma noe koe radja dikersakeun dihormat, koedoe dikoemahakeun?” Ari tjarek Haman sadjero hate: „Na saha noe koe radja dikersakeun dihormat leuwih ti batan aing?” Sarta ngawangsoel: „Soemoehoen, djalma kitoe kědah dipakeanan koe panganggo karadjaän sareng makosta karadjaän, ladjěng ditoenggangkeun kana koeda noe bakoe dititiban koe radja, diarak toeroet loeloeroeng nagara. Sareng kedah aja menak saoerang, anoe tjetje Ioek ti heulaeunana: Nja kijeu didamělna djalma, noe koe radja dikersakeun dihormat.” Ngalahir radja ka Haman: „Geuwat, koedoe milampah kitoe ka Morděkai, oerang Jahoedi, noe sok dijoek dina lawang radja teja.” Prak Haman milampah kitoe. Sanggeus kitoe goera-giroe ka imahna, prihatin sarta sirahna ditjindoeng. Sabot keur omong-omongan keneh tina saniskara noe kasorang koe manehna, djèboel mantri radja goesak-gasik ngala Haman kana toewang beunang njawiskeun Ester teja.

4. Tidinja radja soemping reudjeung Haman, bade toewang sareng Ester. Tidinja radja ngalahir ka Ester, keur toewang anggoer: Eh Ester, radja istri! naon pamoendoet njai? tangtoe dibere.” Ngawangsoel Ester: ,Noen sang radja! madak simkoering mendak koernija dina sotja sang radja, sareng madak sapoek sang radja, simkoering moegi-moegi dipaparin pati simkoering, kitoe deui pati bangsa simkoering; karantěn simkoering geus pada didjoewal bade digěmpoer.” Ngalahir radja Ahasweros: „Na saha teja eta teb, sarta di mana eta teh, noe boga pikir migawe kitoe?” Wangsoelan Ester: ,Soemoehoen, ari satroe sareng moesoeh tamah, nja ijeu Iaman noe djoelig teht" Neut radja teh ngadeg bari běndoe. Oendjoekan saoerang mantri: „Ongkoh kaleresan panggantoengan beunang Haman njijeun pikeun Morděkai teja, gens nangtoeng deukeut imah Haman, loehoerna 50 asta.” Lahiran radja: „Gantoeng bae ka inja!” Prak Haman teh digantoeng dina panggantoengan, beunang manehna njadijakeun pikeun [ 247 ]Morděkai teja. Ari běndoe radja toeloej lempěr. Toeloej radja ngalaän tjingtjinna, noe geus ditjandak deui ti Haman, seug dipaparinkeun ka Morděkai, sarta Mordekai diangkat, didjěněngkeun pangkat Haman teja. Lahiran radja ka andjeunna: „Ajeuna geura njoeratan ka oerang Jahoedi, sakoemaha pihadəënnana koe pangrasa maneh, mawa padjěněngan radja, sarta tjap koe tjingtjin radja." Gantjang disalaoer djoeroe-toelis radja, pek ditoelis sakoemaha parentah Morděkai; nja njoeratan ka oerang Jahoedi djeung ka para goepěrnoer dina sagala tjoetak karadjaän Ahasweros. Sadjěrona eta soerat oerang Jahoedi di oenggal-oenggal nagara koe radja diidinan koempoel, ngadjaga patina sarta ngagempoer sakoer noe ngamoesoeh ka maranehanana. Děmi dina boelan noe kadoewa-welas, dina tanggal 13, mangsa poëan moesoeh oerang Jahoedi halarep moerba ka darinja, horeng teh dibalikkeun, da oerang Jahoedi noe datang ka moerba ka noe gareuleuh ka maranehanana. Ari koe oerang Jahoedi ditangtoekeun, eta poë dek dilampahkeun oenggal taoen, sarta diseboet poë Poerim, těgěsna lotěre. Nja kitoe koe tina sabab eta tanggal koe Haman ditangtoekeun dipake lotěre.

Soerat teh anoe dikirimkeun koe Haman, mawa padjèneugau radja, njв eta parentah Madajín djeung Persi, anoe teu teunang dirobahkeun. Kitoe noe matak taja djalan deui pikeun ngaleupaskeun oerang Jaboedi, kadjaba koe djalan anoe ditjaritaken teja.

§ 91. Bobojongan maroelang.
(Esra 1―6.)

1. Karadjaän Baboel diëlehkeun koe Kores, radja Persi. Eta perkara enggeus dipiwědjang koe nabi Jesaja, anoe kijeu lahirna: „Kijeu timbalan Pangeran hal Kores: „Eta teh pangangon kami, sarta tangtoe ngalaksanakeun sapangěrsa kami, bari marentah Jeroesalem jen koedoe didjelègkeun deui, kitoe deui hal kabah, jen koedoe diadegkeun deui (Jes. 44: 28). Ari dina taoen noe kahidji Kores djoeměněng radja, geus djédjeg 70 taoen, anoe dilahirkeun koe nabi Jermia teja, sarta Pangeran ngageuing roh Kores, noe matak ngiderkeun parentah [ 248 ]di sakaradjaänana kabeh, sarta nganggo soerat ongkoh, saoerna: „Sakabeh karadjaän di boemi geus dipaparinkeun ka kami koe Pangeran, Allah sawarga; sarta kami koe andjeunna dikersakeun njijeun hídji gědong pikeun andjeunna di Jéroesalem, di tanah Joeda. Saha-saha lebah maraneh kaäsoep sakabeh oematna, widi moelang ka Jeroesalem; seg geura njijeun pigědongeun Pangeran, Allah Israil." Tidinja darangdan sakoer noe koe Allah digeningkeun soekmana, sědja moelang, arek njijeun gědong Pangeran. Djeung deui radja Kores ngabidjilkeun paparabotan gědong Pangeran, noe bareto koe Něboekadnesar dika-loewarkeun ti Jéroesalem. Djoemblah parabot emas-perak teh 5400. Sarta sapakoempoelan noe arindit djoemblah 42,000, djaba ti badega-badegana, awewe-lalaki (1). Eta sakabeh dikapalaän koe Sěroebabel, anoe kaäsoep toeroenan Dawoed, djeung koe Jesoewa, panghoeloe agoeng. Barang geus narěpi ka Jěroesalem, prak pada ngadegkeun altar dina oeroetna, sarta pada ngalakonan pesta saceng běbětek. Mangsa taroekang njijeun masang pipademeneun kabah Pangeran, seug para panghoeloe njarěkěl tarompet baris moedji ka Pangeran, djeung djalma noe reja saroerak, bědas pisan soerakna. Ari panghoeloe djeung ahli Lewi, sarta loeloegoe ahli karoehoen, noe karolot, anoe taregěseun ka gědong noe ti heula teja, reja noe tjareurik, bědas pisan sowarana (²); djadi djalma teu bisaeun ngabinakeun sora soerak kaboengahan djeung sora tjeurik teh.

(¹) Anoe barallk tina tansh pangboewangan ngan saparo. Ajs loba szoе daraekeun tjitjing bae dina tanahna oerang tapir. Koe djalan kitoe aja loba bangsa kapir anoe meunang njaho hal agama djeung hal Kitab Soetji oerang Jaboedi.
(²) Kakarek meunang 52 taoen, ari kabah snoe dladégkeun koe radja Soeleman gene ditoempoerkeun, Koe tina sabab ets, masih araja lobs djalma noe masib aringět keneh kana aloesna kabab noe katendjo koe maranehanana mangsa ngarora keneh.

2. Ari oerang Samaria, noe ditjaritakeun § 82, 2 jen aribadah ka Pangeran, ongkoh ngabarakti ka aällahan teja, eta toeloej ngadareuheusan ka Sěroebabel djeung ka para loeloegoe ahli [ 249 ]karoehoen, sarta harajangeun ngabantoean njijeun gedong Pangeran. Děmi Sěroebabel djeung oerang Joeda teu sanggoepeun, sabab lain sabatoer-batoer djeung eta djalma-djalma. Ari geus kitoe, oerang Samaria sok ngeplek-ngeplekkeun leungeun bangsa Joeda, sarta sok diririsi eukeur njijeun; malah-malah eta djalma ngistorikeun priboemi Joeda ka pajoeneun radja-radja anoe djoeměněng pandeurieun Kores teja. Tidinja pagawean gědong Allah eureun něpi kana kadoewa taoenna Darioes djoeměněng radja. Koe eta dipaparin timbalan, pagawean koedoe ditoeloejkeun, malah-malab koedoe dibantoean koe émas-perak, sarta sagala balandja ditjokot tina kagoengan radja. Toeloej para kokolot oerang Jahoedi ngadaměl sarta loeloes pisan, tina lantaran piwědjang nabi Hagai djeung Djakaria. Ari nganggeuskeunana gědong teh dina kagěněp taoenna radja Darioes. Geus kitoe oerang Israil njalamětkeun eta gědong Allah kalawan kasoekaän.

$ 92. Esra djeung Něhemja.

(Esra 7―10. Něh. 1―18.)

1. Keur mangaa Artahaasta djoeměněng radja, Esra angkat ti Baboel; sarta eta teh djadi ahli kitab, mahir dina Toret Moesa. Sarta aja deui noe arindit ka Jéroesalem, Bawareh oerang Israil, djeung sawareh para panghoeloe ahli Lewi djeung ahli njanji. Karana Esra teh geus nětěpkeun manahna, sědja nejangan Toret Pangeran, sarta dek dilampahkeun; djeung sědja ngawoeroekkoun ka Israil pikoekoeh reudjeung hoekoem. Sarta koe radja dipaparin ka andjeunna émas-perak pikeun gědong Pangeran. Ari dina mangsa harita oerang Israil noe loba hanteu misah reudjeung bangsa-bangsa sagala tanah, karana sok aja noe njokot anak eta keur pipamadjikaneun soangan atawa pipamadjikaneun anak. Koe tina sabab kitoe, Esra ngaliderkeun parentah di Joeda, ka sakabeh oerang pangbojongan, koedoe karoempoel ka Jéroesalem. Geus karoempoel, Esra ngalahir ka darinja: „Maraneh migawe salah, ngěnggonkeun awewe bangsa sedjen, noe matak nambahan kana kasalahan Israil. [ 250 ]Mana ajeuna geura pada ngakoe ka Pangeran, djeung lampahkeun pangersakeunana; sarta koedoe pada misahkeun maneh ti sagala bangsa eusi tanah djeung ti awewe bangsa sedjen.” Ngawangaoel sapakoempoelankabeh, bari bědas sowarana: „Lěrés sapilahir andjeun ka koering; södja pisan ngalampahkeun.” Prak oerang pangbojongan teh pada milampah kitoe, aarta ti waktoe harita oerang Israil hanteu ngabarakti deui ka aällahan.

2. Dina hidji mangsa djěboel hidji oerang Joeda ka Baboel, ka Něhemja noe djadi toekang inoeman radja Artabsasta. Koe eta Něhemja dibedjaän, jen koeta Joroesalem bongkar keneh bae sarta nagara tatjan ngaděg. Ari geus kitoe Něhemja prihatin, toer poewasa djeung něněda. Ari di pajoeneun radja andjeunna nja měsoem. Pok radja mariksa ka Něhemja: „Koe naon maneh teh noe matak měsoem, da maneh teu gering?” Seg Něhemja oendjoekan: Moegi sang radja salamět salalanggengna! Koemaha beungeut abdi hanteu rek měsoem? da nagara enggon pakoeboeran karoehoen abdi tarikolot, sareng lawang-lawangna geus leboer koe seuneu?” Lahiran radja: Tjik, naon pamenta maneh?” Oendjoekan Něhemja: „Madak sapoek sang radja, sareng madak diri abdi kamanah koe salira gamparan, moegi abdi dipiwarang ka tanah Joeda, ka nagara pakoeboeran karoehoen abdi, soepaja koe abdi dipidaměl.” Seug andjeunna koe radja dibahanan sérat bade ka para bopati, soepaja koe eta didjalankeun. Ari geus dongkap ka Jéroesalem, gantjang mitěmbějan ngadegkeun koetana. Ari geus kitoe, barang Sanbalat, hidji gegěloeg oerang Samaria, djeung Tobia, satroe hidji deui ka oerang Jahoedi, ngadenge bedja, jen koeta Jeroesalem beuki madjoe, toeloej sakarait, dek ngadatangan merangan ka Jéroesalem sarta dek njijeun kabingoengan ka dinja. Tatapi oerang Jahoedi pada něněda ka Allah, sarta ngadegkeun anoe ngadjaga měgat eta beurang-peuting, tina sabab maranehanana. Ari baroedak saparona milampah pagawean, ari noe saparo deui mah njarěkěl toembak, képěng, gondewa djeung badjoe kére. Anoe njarijeun koeta, noe ngakoetan babawaan djeung noe ngamomotkeun, leungeunna noe sabeulah [ 251 ]milampah pagawean, ari noe sabeulah deui mah njěkěl pakarang. Sarta noe njarijeun hidji-hidji pada njoren pědangna dina tjangkeng eukeur digawe. Děmi Něhemja djeung pangiringna taja noe tjoetjoel-tjoetjoel papakean. Ari geus anggeus njijeun koeta teh, seug sakabeh djalma karoempoel kawas djalma saoerang. Tidinja koe Esra panghoeloe Toret ditjandak ka hareupeun pakoempoelan, sarta diaos ti braj beurang těpi ka tengah poë. Sarta sakabehna djalma njarijeun përdjangdjian, dek ngestokeun satimbaban Allah.

§ 93. Nabi-nabi panoetoep djaman
Pärdjangdjian Lawas.

Pelebah bobojongan noe maroelang ti tanah Baboel, aja nabi Hagai, Djakaria djeung Malaki. Koe nabi Hagai djalma noe loba digeuingkeun ngadegkeun kabah; djeung deui anoe tjareurik teja sabab kamoeljaän gědong anjar lain saroewa djeung gedong beanang Soeleman ngadaměl, eta dilipoeran koe pangandika Pangeran anoe kijeu: „Kamoeljaän jeu gedong noe pandeuri bakal gede alah batan noe ti heula teja; sarta dina jeu enggon měngke kami maparin kasalamětan.” (Hagai 2:9.) Leuwih terang deui piwědjang nabi Djakaria moenggoeh hal Djoeroesalamět. Lébétna Goesti ka Jéroesalem, dioewarkeun pas. 9:9, kijeu: „Eh, anak Sion! sing gěrah katjida; eh anak Jéroesalem! hajoe soerak; masing njaho, Radja maneh rek datang ka maneh, sipat adil, sarta mawa kasalamětan, sareh boedina, djeung toenggang kalde, nja eta kalde ngora, anak kalde bikang.” Djeung deui tina hal Djoeroe-salamět aja piwědjang pas. 12: 10, kijeu: „Kami teh ka bangsa Dawoed sarta ka priboemi Jéroesalem tangtoe ngoetjoerkeun Roh sih-koernija, nja Roh panoenoehoen; seg bakal narendjo ka kami, noe geus ditèwèk koe maranehanana.” Pas. 137 kijeu: „Eh pedang 1 geura njaring, ngamoek ka pangangon kami, nja ka eta hidji djalma, noe djadi kantja kami, lahiran Pangeran sawadya-balad; kadek eta pangangon, ari domba-domba teh bakal pabalèntjar, tatapi kami tangtoe ngaoeban [ 252 ]koe panangan kami ka eta noe laleutik.” Nabi Malaki miwědjang tina pisoempingeunana Djoeroe-salamět kana kabah noe ka-doewa teja, djeung deui tina iběr Goesti, pas. 3: 1: „Masing nganjahokeun, kami miwarangan malaikat kami, anoe bakal njadijakeun djalan saheulaeun kami; ari eta Goesti, noe dipikahajang koe maraneh, ngadak-ngadak pidatangeunana ka kabahna, těgěs Malaikat pěrdjangdjian, noe dipikasoeka koe maraneh teja.” Pas. 4:5: „Masing njaho, kami miwarangan ka maraneh nabi Elias, samemeh datang eta poë Pangeran noe gěde nja matak sijeun.

Katěrangan. Malaki nja eta nabi panoetoep keur djaman pěrdjangdjian lawas, Pandourienn Malaki taja nabi deui. Koe tina sabab kitoe, sanggeusna poepoes nabi-nabi, sagala kitab para nabi dikoempoelkeun, sarta dihidjikenn djeung kitab Toret, kitab Djaboer sarta djeung kitab Soetji anoe saredjen, sadjoemblahanana 31 kitab. Eta 31 kitab diseboet Kanon Pěrdjangdjian Lawas. (Kanon těgěsna roekoen, nja eta roekoen kapërtjajaan djeung roekoen kalakoean.) Eta 81 kitab djadi 4 roepa, nja eta: I.TORET, atawa 5 kitab nabi Moesa. II.KITAB HIKAJAT, nja eta: 1 Josoea, 2 Para Hakim, 3 Roet, 4 Doewa kitab Samoeēl, 5 Doewa kitab para Radja, 6 Doewa kitab Babad, 7 Esra, 8 Něhemja, 9 Ester. III.KITAB PANGWOEROEK, nja eta: 1 Ajoeb, 2 Djaboer, 3 Siloka Soeleman, 4 Goeroe, 6 Makoeta Poepoedjian. IV.KITAB-KITAB NABI, nja eta: 1 Jěsaja, 2 Jěrmia, 3 Njanjian nalangsa damělan Jěrmia, 4 Jěbeskel, 5 Daniēl, 6 Hosea, 7 Joēl, 8 Amos, 9 Obadya, 10 Joenoes, 11 Mika, 19 Nahoem, 15 Habakoek, 14 Sěpanya, 15 Hagai, 16 Djakaria, 17 Malaki. Hal eta kitab, Goesti Jesoes ngalahir Joh, 5:30: „Maraneh sok nitik-nitik kana kitab-kitab, sabab pikir maraneh boga hiroep noe langgeng di djěro eta kitab, malah nja eta pisan anoe mértelakeun kami.” Djeung Timoteoes koe rasoel Paoeloes disoeratan kijeu (2 Tim. 3: 15-17): „Maneh ti boeboedak geus nganjahokeun ka Kitab Soetji, anoe bisa mintěrkeun ka maneh matak djadi kasalamětan, djalanna pěrtjaja ka Kristoes Jesoes, Ari sadajana Kitab teh geus diilhamkeun koe Allah, sarta mangpaat pikeun piwoeroek, pikeun ngawewěleh, pikeun ngahadekeun, sarta pikeun mamatahan kana djalan kaběněran; soepaja djalmaning Allah teh sampoerna, sarta sadija pisan baris ka saliring pagawean hade.

[ 253 ]

PASAL VII.

Ti Malaki tepi ka Johannes poerah ngabanjoe.

§ 94. Timbangan.

Ti waktoe Malaki těpi ka Johannes poerah ngabanjoe, nja eta di djěro 400 taoen lilana, hanteu aja nabi. Lantaran para nabi Goesti Allah geus ngamoemoele oematna, saperti bapa ngamoemoele ka anakna. Keur mangsa Israil kawas boedak keneh, eta ditoejoen kawas koe panangan Allah, lantaranana para nabi. Ari bangsa Israil geus meudjeuhna gedena sarta geus meudjeuhna oemoerna, seug koedoe leumpang sorangan; euweuh deui anoe njarškšl leungeunna. Dins djaman harita, Pangandika Allah anoe kapěndak dina sagala kitab Pěrdjangdjian Lawas teja, eta dipaparin ka darinja pikeun djadi damar hareupeun soekoena, sarta tjabja dina djalanna. Toret Moesa koedoe djadi goeroena, ngoeroeskeun salakoe-lampahna; sarta ari piwědjang para nabi hal Djoero roesalamět anoe bade soemping, nja eta koedoe kawas deudeulan, anoe ngadeudeul kapěrtjajaänana. Araja loba oerang Israil anos hanteu moelang ti pangdjarahan ka tanah Kanaän, da bětaheun dina tanah bangsa sedjen. Koe tina sabab kitoe, Kitab Soetji djeung pangarep-ngarep oerang Jahoedi dikanjahokeun oge koe reja oerang kapir, sarta oerang kapir koe djalan kitoe disadijakeun pikeun narima kasalamětan, měngke ari geus djědjěg djaman.

§ 95. Oerang Jahoedi keur mangsa karadjaän tambaga.

(Karadjadn Joenani-Makedoni.)

1. Karadjaän noe kahidji, anoe dipiwědjang koe nabi Daniël, nja karadjaän Baboel. Eta diganti koe karadjaän Madajin djeung Persi. Eta diëlehkeun deui koe praboe Iskanděr ti Makedoni, noe ngadegkeun karadjaan Joenani. Karadjaän eta dina impenan Něboekadnesar teja dioepamakeun koe tambaga. Sanggeusna poepoes radja Iskandér, karadjaänana dibagi koe kapala-kapala baladna. Tanah Měsir djeung tanah Kanaän [ 254 ]ditjandak koe bangsa radja anoe djěněngan Pětolomeoes. Salila bangsa Jahoedi di bawah kawasa radja-radja bangsa Pětolomeoes, oerang Jahoedi teh senang pisan rasana; eta meunang loba toeloengan sarta aja widi ngalampahkeun agama koemaba ditimbalkeun koe Kitab Soetji teja. Kira taoen 200 memeh soempingna Kristoes, Kanaän diëlehkeun koe radja Sam, noe djadi bangsa Seleuki. Ti wates harita oerang Jahoedi katjida kasoesahna.

2. Di lebah radja-radja bangsa Seleuki anoe pangbangětna panganijajana ka oerang Israil, nja eta radja Antiokoes Epipanes. Koe eta ditimbalkeun oerang Jahoedi koedoe mitjeun agamana sarta koedoe ngalampahkeun adatna oerang kapir, ngabakti ka brahala. Harita aja loba anoe moertad tina perdjangdjian Allah. Araja anoe ngadegkeun di Jéroesalem gedong pamaenan, noeroetkeun adat oerang kapir; araja deui anoe adatna sapiaan djeung adat kapir. Ari Antiokoes koe andjeun soemping ka Jéroesalem, lěbět kana kabab. Kabah koe andjeunna toeloej dítjamahan sarta paparabotan emas-perak didjarah. Heuleut sataoen deui Antiokoes miwarang sahidji kapala balad ka Jeroesalem. Eta di dinja teu kijeu teu kitoe, dongkap ka poë sabat. Dina poë harita seug ngaboeroedoeg nagara Jéroesalem, miwarang ari koeta-koeta nagri koedoe dibongkar, geus kitoe ngarajah dajeuh teja, bari maehan loba djalma. Ari benteng Dawoed toeloej didjaběl; di dinja diteundeun patrol, nja eta sørdadoe anoe katjida teuing panganijajana ka oerang eusi Jéroesalem. Kabah ditjamahan deui sarta didjijeun pamoedjaän pikeun njěmbah ka batara Joepiter. Kitab Soetji dioeběk-oeběk; ari kapanggih toeloej disoëhkeun sarta didoeroek sakali. Lamoen aja noe kapanggih baroga kitab, eta toeloej dipaehan. Moal matak heran aja reja anoe moengkir ti Pangeran. Tatapi reja deui noe anggoer dek dipaehan ti batan njoemahkeun perdjangdjian Pangeran. Katjaritakeun aja sababaraha djalma, anoe kalaboer ka pigoenoengan, njoempoetkeun maneh kana goeba, kahajangna dek ngalampahkeun poë sabat. Hanten heuleut lila [ 255 ]djalma-djalma teh kapanggih. Geus kitoe maranehanana sadaja didoeroek sama sakali.

3. Antiokoes Epipanes ahir-ahir kataradjang kasawat anoe katjida pisan. Awakna pinoeh koe bisoel. Tina bisoelna baridjil bilatoeng, anoe matak andjeunna keur hiroep keneh geus datang ka boeroek-oetjoetan. Harita Antiokoes něněda ka Pangeran, sarta ka loewar nadar, rek ngamčrdikakeun Jeroesalem, dek mapakkeun oerang Jahoedi sapapak djeung priboemi Aten (nja eta dajeuh tanah Joenani); dek ngahijaskeun kabah di Jéroesalem koe parabot ěmas djeung perak anoe moetoeh koe aloes; malah-malah dek asoep agama Jahoedi. Tatapi Pangeran moal kersa diroeroeba koe omongan aloes; andjeunna ngan kersa maparin panghampoera dosa, ari eta ditejangan koe djalan tobat anoe saestoe. Radja Antiokoes Epipanes poepoes, bari ngaraos sangsara anoe katjida bangětna.

§ 96. Eleasar djeung saderek anoe toedjoeh.

1. Keur mangsa Antiokoes Epipanes aja ahli kitab anoe kasohor, ngaranna Elasar. Andjeunna geus meunang oemoer 90 taoen basa ditangkep koe karana kapěrtjajaänana, Andjeunna koe moesoeh dingangahkeun lambena, sina dek dahar laoek bagong, anoe dilarang didahar koe Toret Moesa. Andjeunna anggoer dek paeh ti batan ngarěmpak kana timbalan Allah. Tidinja dek jandang sangsara bae. Lila-lila sordados karoenjaeun ka andjeunna, sarta ngadjangdji bakal mawa laoek anoe halal; eta sina didahar koe andjeunna di hareupeun djalma anoe loba, poera-poera dahar laoek barong, noe geus dikoer. bankeun ka brahala. Ari omongna sordadoe andjeunna koedoe dahar bae koe karana radja, soepaja andjeunna dihiroepan. Tatapi Elasar ngalahir: „Aing geura paehan bae! Geus kolot teuing aing teh djadi djalma moenapek. Ari kitoe mah oerang Jahoedi dek boga njana ari Elasar, noe geus oemoer 90 taoen, toeh manehna geus asoep kapir. Ari koe djalan kitoe maranebanana digěndam koe lampah moenapek aing. Lampah anoe [ 256 ]kitoe matak aing teh meunang wiwirang langgeng salalawasna. Malah naon gawena, ari aing teh ngědjat tina siksaän djalma, aing moal bisa ngědjat siksaän Allah, kadjeun aing paeh hiroep.” Sanggeus ngalahir kitoe, seug andjeunna dibawa ka pangětokan. Di dinja andjeunna ngarasa sangsara reudjeung gede sabar. Andjeunna toeloej poepoes ninggalkeun toeladan hade ka sakabehna djalma anoe ngawoeroek ka noe kolot djeung ka noe ngora, koedoe tětěp bae kana lampah soetji.

2. Aja deui toedjoeh djalma, padoeloer-doeloer, kadalapan iboena; seng ditangkep sarta dirangket, sina dek dalahar anoe haram. Děmi eta sakabeh ngaromong: ,Anggoer paraeh bae ti batan ugarěmpak timbalan Allah." Toeloej radja teh běndoe sarta nimbalan koedoe dinjenjeri liwat saking, dipake minjak anoe ngagolak djeung seuneu. Ari eta toedjoeh doeloer silihpageuhkeun, noe hidji ka noe hidji deui. Děmi iboena ningali, ari anakna sakabeh masing-masing dinjenjerian. Andjeunna dek nahan eta reudjeung gede sabarna, koe karana kapěrtjajaänana ka Allah noe djoeměněng. Koe tina sabab eta, andjeunna sakitoe gede manahna datang ka dek ngalilipoer anakna sahidji-sahidjina, sina oelah dek leutik hate, anggoer mantěp bae dongkap ka pash, lahirna: Eh anaking! maraneh teh didjoeroekeun koe éma, tatapi lain čma anoe maparin hiroep djeung napas sarta anggahota. Anoe maparin eta, nja anoe ngadaměl doenya sarawoeh sakabebna djalma. Nja andjeunna anoe langkoeng kawasa maparin deui hiroep ka maraneh, nadjan maraneh ajeuna diparaehan koe karana Toretna.” Ari Antiokoes ten ngahartos kana basana, panjanana andjeunna digorengkeun koe eta istri. Koe tina sabab kitoe, doeloer anoe katoedjoeh, noe tatjan dipaehan, eta koe radja disaoer, toeloej dipapatahan koedoe moengkir tina agama Jahoedi, toeloej manehna koe radja bakal diagoengkeun. Ari boedjang teh teu ngagoegoe; seug iboena koe radja dipiwarang, koedoe ngomat ngomatan ka anakna, soepaja eta dek ngestokeun timbalan radja teh. Děmi įboe mah njampeurkeun ka anakna, bari njaoer kijeu: „Ěh, ana. [ 257 ]king! moegi aja karoenja ka ěma; moegi oelah aja kasijeun koe djoeroe kětok; ěnoeng! sing zoeka-boengah ari dipaehan tjara doeloer ěnoeng anoe gěněp teja. Ari Allah anoe langkoeng agoeng koernijana, tangtoe bakal ngahiroepkeun deui ka ěnoeng babarengan djeung doeloer-doeloerna, geus kitoe bakal dipaparin deui ka ema.” Eukeur njaoerna keneh, boedjang mopojan ka logodjo: „Toenggoe naon atoeh? Koe kaoela moal diëstokeun timbalan radja anoe běngis teja. Maraneh anoe nganijaja kitoe ka oerang Jahoedi, masing njaho, moal bisa ngarědjat tina hoekoem Pangeran." Ari radja ngadangoe omongan anoe kitoe teb, seug liwat saking nja běndoena, sarta miwarang eta boedjang koedoe dinjenjěri leuwih bangět batan noe gěněp deui. Pek dinjěnjěri něpi ka paeh. Ahir-ahir iboena dipaehan kitoe deui.

§ 97. Ahli Makabi.

1. Tatkala mangsa radja Antiokoes Epipanes nganijaja ka oerang Jahoedi, aja hidji panghoeloe, djéněnganana Matatias; eta tjalik di pigoenoengan Joeda, nagara Modin. Mangsa djalma eusi nagara teh koe piwarangan Antiokoes diadjak ngoerban kana brabala, seug Matatias ningali hidji oerang Jahoedi, anoe ngoerban ka aällahan. Pek eta djalma koe Matatias dipaehan; altarna toeloej dibongkar; geus kitoe andjeunna oedar-iděr sadjero nagara bari njaoer, tarik sowarana: „Saha-naha noe rek nětěpkeun põrdjangdjian Allah, eta koedoe ngiring ka kami ka loewar ti djero nagara!”. Toeloej kaboer ka pigoenoengan, nja andjeunna djeung poetra-poetrana, sarta reja djalma deui anoe ibadah ka Pangeran. Ari eta pada oedar-iděr satanahna, ngaboerak-barik sakabehna altar pikeun aällahan. Ari geus poepoes Matatias, seug andjeunna diganti koe poetrana djěněngan Joedas Makabi (makabi těgěsna paloe). Eta teh gagah-pěrkosa, gagahna kawas singa ngora noe ngahoewang-haoeng, datang ka moesoeh-moesoeh kabeh pada kalaboer ti pajoeneunana. Radja Antiokoes katjida běndoena; koe andjeunna tereh dikoempoelkeun balad gěde, malarna dek noempoerkeun sabangsa Jahoedi. Děmi Joedas [ 258 ]katoet doeloer-doeloerna kitoe deui ngoempoelkeun balad. Geus kitoe pada sasambat ka Pangeran. Ari geus kitoe Joedas teh němpoeh kana balad moesoehna, anoe toeloej eleh. Geus kitoe Joedas teh ngadjoegdjoeg ka Jéroesalem. Ari geus narepi, seg kabah diberesihan sarta disoetjikeun deui, karana eta ditjoemahan pisan; boeroean nja barala bae. Děmi tanggal 25, boelan noe kasalapan, koerban doeroekan dihatoerkeun deui dina parantina. Ti waktoe harita dongkap ka ajeuna dina tanggal 25, boelan kasalapan, dilampahkeun pesta dianjarkeunana kabah.

2. Sanggeus meunang sababaraha lila, oerang Jahoedi katjida disésekkeun koe oerang Sam, noe matak Joedas teh njijeun perdjangdjian djeung oerang Roem, sina eta maparin pitoeloengan. Eta didjangdji koe oerang Roem, tatapi eta hanteu dilampahkeun. Ti wates barita Běmoena běrkah Pangeran ka bangsa Israil geus moesna. Joedas teh toeloej diëlehkeun koe oerang Sam, ari andjeunna poepoes dina pangperangan (tauen 161). Joedas digentos koe Jonatan, saderekna. Eta kaběrěděg koe oerang Sam, bari toeloej dipaehan. Děmi Simon, saderek anoe katilo teja, meunang oentoeng bisa ngadjaběl deui benteng Sion. Dongkap ka waktoe harita aja keneh patrol Sam di djérona. Keur djaman Simon pèrang teh eureun, sarta aja kerta di satanah oerang Israil. Koe bawaning gède panarimana koe bangsa Israil ka Simon dipaparin djadi gègedoeg djeung panghoeloe, andjeunna saraweeh toeroenanana, dongkap ka waktoe Allah koe andjeun körsa miwarangan nabi anoe saestoe teja. Simon digentos koe poetrana, djènènganana Johannes Hirkanoes. Andjeunna teh sae pisan ngèrehna. Koe andjeunna dibawahkeun kana kawasana tanah Samaria djeung tanah Galilea. Mangsa tanah Samaria ditaloekkeun, koe andjeunna diboerak-barikkeun kabah oerang Samaria, dina goenceng Garisim. Koe andjeanna kitoe deui dibawahkeun kana kawasana satanah Edom. Ari oerang Edom koe andjeunna dipaksa asoep kana agama Jahoedi, djeung ngalampahkeun adat oerang Jahoedi. Geus poepoes andjeunna digentos koe poetrana, djenengan Aristoboeloes (taoen [ 259 ]106 memeh Kristoes). Koe Aristoboeloes ditjangking pangkat radja.

$98. Oerang Jahoedi taloek ka oerang Roem.

1. Ari geus poepoes radja Aristoboeloes, satanah Jahoedi roesoeh-tagiwoer, sabab poetra-poetrana silih-perangan, dek djadi gěntosna ramana. Keur aja roesoeh, doemadakan, oerang Roem datang, dek ngeureunkeun perang teh, sarta dek naloekkeun tanah Joeda kana kawasa Roem. Pompijoes, gegědoeg oerang Roem anoe kasohor, soemping ka tanah Jahoedi, seug ngadjaběl nagri Jeroesalem dina sahidji poë sabat. Andjeunna teh lebět kana kabah, tatapi hanteu njandak kana parabot-parabot kabab, anggoer maparin timbalan, ari kabah teh koedoe dibérésihkeun; malah miwarang ari perkara ngoerban koedoe diladjengkeun. Koeta-koeta anoe sakoeriling Jeroesalem dititah koedoe dibongkar. Anoe toeloej didjěněngkeun gěgědoeg djeung panghoeloe agoeng, nja eta Hirkanoes II, poetra Aristoboeloes. Děmi Hirkanoes II lain djalma binangkit, sarta ari ngěrehna teu pati hade, noe matak aja hidji ponggawa, anoe djěněnganana Antipas, djadi kawasa ti batan radja. Eta koe praboe, gégedoeg oerang Roem, toeloej didjěněngkeun djadi goepěrnoer tanah Joedea. Anoe toeloej gěde deui kawasana, nja eta poetra Antipas, djěněnganana Herodes, anoe ladjeng katělah Herodes Agoeng. Koo andjeunna, sabab diaoeban koe Roem, bangsa Makabi dibasmi pisan. Dina taoen 40 memeh soempingna Kristoes, andjeunna teh didjěněngkeun radja oerang Jahoedi, koe Antonioes djeung Oktawioes, gegědoeg oerang Roem. Radja Herodes djadi djalma noe gěde binangkitna djeung gede gagah-wanina. Tapi andjeunna teh nja kitoe deui djalma noe bangět ngandoeng ati, ka barajana ge, noe matak andjeunna bengis, datang ka maehan loba djalma noe taja salahna; poetrana ge koe andjeunna dipaehan, sabab maido ka darinja. Radja Herodes dina salakoe-lampahna kawas oerang kapir. Koe tina sabab eta, oerang Jahoedi teu pati resep ka andjeunna. Pikeun maling hate oerang Jahoedi, koe andjeunna [ 260 ]kabah teh dianjarkeun djeung dialoeskeun, datang ka kabah teh djadi gědong noe katjida aloesna. Radja Herodes poepoes tatjan meunang lila sanggeus diowokeunana Goesti Jesoen Kristoes. Ari kasawatua saroewa djeung kasawatna radja Antiokoes Epipanes (§ 95, 3).

2. Sanggeus kitoe tanahna dibagikeun ka poetrana anoe tiloe. Joedea, Idoemea (Edom) djeung Samaria dipaparin ka Arkelaoes. Bejak 6 taoen eta koe oerang Roem dipotjot. Gentosna nja eta hidji goepěrnoer Roem. Herodes Antipas, poetrana noe kadoewa, dipaparin Galilea djeung Perea (wetaneun tji Jordan, beh kidoel). Poetrana noe katiloe, Pilipoes, dipaparin tanah wetaneun tji Jordan beb kaler. Pilipoes poepoes taoen Kristen 33, toeloej tanahna dišreh koe goepěrnoer Roem. Herodes Antipas koe oerang Roem dipotjot taoen Kristěn 39, bari toeloej diboewang ka tanah Galia. Eta digentos koe hidji goepěrnoer Roem. Harita satanah Jahoedi aja di bawah kawasa oerang Roem, sarta dišreh totorodjogan koe oerang Roem. Dina taoen 41, koe anoegrah praboe Klaoedioes didjěněngkeun radja ka tanah Jahoedi Herodes Agripa I, poetra Herodes Agoeng. Eta nja kitoe deui poepoes kana kasawat goreng, saperti ejangna. Děmi Herodes Agripa I kagoengan poetra hidji. Eta koe praboe Roem didjěněngkeun radja kana tanah anoe wetaneun tji Jordan, sabeulah ti kaler; ari djěněnganana Agripa II. Andjeunna masih hiroep mangsa Jéroesalem diboerak-barik koe Titoes Wespasianoes. Tanah Joedea, tanah Samaria, tanah Galilea djeung tanah Perea toeloej totorodjogan di bawah kawasa goepěrnoer Roem.

§ 99. Hal agama oerang Jahoedi dina djaman harita.

1. Ti wates oerang Israil geus baralik deni tina tanah pangboewangan, anoe panggěde kawasana baris ngoeroeskenn djeung moetoeskeun roepa-roepa pěrkara, nja eta Rad-agoeng (Sanhedrin atawa Sinedrioem). Eta Rad-agoeng djadi 70 anggahota. [ 261 ]Anoe djadi loeloegoena, nja eta Panghoeloe agoeng. Katjaritakeun Rad-agoeng diadegkeun koe Esra, noeroetkeun 70 kokolot, anoe mantoean nabi Moesa dina těgal léga (§ 43, 2). Koe eta Rad-agoeng dioeroeskeun sagala perkara agama, malah kagoengan kawasa ngahoekoeman paeh. Mangsa tanah Joeda di bawah kawasa goepěrnoer Roem, kawasa ngahoekoeman paeh ditjokot koe oerang Roem.

Ti wates hanteu tarimboel deui nabi-nabi, sarta bangsa Israil koe maneh diperloekeun moedoe nitik-nitik Kitab Soetji, seug tarimbool djalma, anoe euweuh deui pagaweanana ngan nitik- nitik Kitab Soetji djeung ngawoeroekkeun djalma-djalma. Eta djalma diseboetkeun ahli kitab, sarta ari ngaran pangkatna nja eta rabí, těgeana goeroe. Eta pada ngalampahkeun kana timbalan nabi Moesa reudjeung gede gěten-toelatenna. Eta timbalan koe maranehanana ditambahan koe pikoekoeh djalma, datang ka ahir-ahir timbalan Moesa dilindihkeun, djeung pikoekoeh djalma dítěštěpkeun. Děmi oerang Jahoedi noe keur pabalentjar dina tanah oerang kapir, djaoeh teuing tina kabah, anoe matak koe maranehanana diaraděgkeun masigit-masigit dina tempat pangtjitjinganana. Eta masigit djadi gědong pikeun oerang Jahoedi karoempoel baris ngalampahkeun agamana. Di dinja dina poë sabat djeung dina poë pesta oerang Jahoedi karoempoel baris něněda djeung baris ngadengekeun kana diwatjana Kitab Soetji. Tampolanana Kitab Soetji oge ditetelakeun. Pěrkara pangabakti, saperti ngoerban, ngoekoes, ngaběběrěsihkeun, eta ngan beunang dilampahkeun bae dina kabah di Jăroesalem.

2. Keur mangsa ahli Makabi tarimboel doewa madhab di pělebah oerang Israil, nja eta ahli Parisi djeung ahli Sadoeki. Děmi ahli Parisi, eta katjida ngalampahkeunana timbalan nabi Moesa. Eta nja kitoe deui gède katěměnanana kana pikoekoeh sesěpoeh-sěsěpoeh. Eta katjida ngalawanna ka sakoer ance wani ngarěmpak kana timbalan kitab, kadjeun anoe ngarěmpak djadi gegěden atawa oerang koeli. Tatapi ahir-ahir ahli Parisi teh djadi djalma moenapek, djalma poera-poera djeung oedjoeb-rija. [ 262 ]Eta pada pageuh pěrtjaja, ari Kitab Soetji sakabeh nja Pangandika Allah; eta pada përtjaja kana pihoedangeunana badan, kana poë kijamat djeung kana hiroep anoe langgeng. Děmi ahli kitab meh sakabeh ahli Parisi.

Děmi ahli Sadoeki sabalikna pada përtjaja, ari anoe beunang diseboetkeun Pangandika Allah, ngan kitab Toret bae. Eta hanteu pertjaja aja kijamat, aja malaikat, aja soekma. Anoe loba mah soeka ngalampahkeun sakoemaha kasoeka hatena, anoe matak maranehanana ahir-ahir djadi djalma anoe euweuh pisan kapěrtjajaänana. Anoe asoep kana ahli Sadoeki, nja eta menak-menak djeung gegěden-gégéden oerang Jahoedi. Djalma anoe loba mah soeka ngiring ka ahli Parisi. Tjek djalma-djalma teh, eta teh djalma saroetji. Bangsa Israil katjida angkoehna koe bawaning djadi toeroenan Ibrahim, sarta boga njana maranehanana tangtoe salamět koe sabab djadi anak-postos Ibrahim teja. Bangsa-bangsa anoe saredjen koe oerang Israil katjida dihihina. Eta pada pertjaja, lamoen oerang Jahoedi antěl ka oerang kapir, toeloej Jahoedi teh tanwande keuna nadjis. Eta pada boga pangharepan, ahir-ahir Kristoes bade soemping ngabasmi sakabehna moesoeh-moesoehna, sarta bade ngabawahkeun sakabehna bangsa-bangsa kana kawasa oerang Jahoedi. Nja eta noe matak ahir ahir oerang Jahoedi djadi djalma poera-poera djeung djalma moenapek, sarta maranehanana beuki lila beuki djaoeh tina djalan anoe běněr, anoe bras kana kasalamětan.

Di antara oerang Jahoedi araja anoe poegoeh aribadah, anoe saestoe oerang Israil. Keur anoe kitoe Toret teh kawas pangasoeh, noe noengtoen ka Kristoes. Eta djalma euweuh deui pangarep-ngarepna ngan kana Panglipoer oerang Israil. Eta dina djero hatena katjida kangěnna kana kalaksanakeunana sakoer noe geus didjangdji hal Djoeroe-salamět teja.

§ 100. Hal oerang kapir dina djaman harita.

Ti watěs didjijeun moenara di Baboel teja, bangsa kapir dek ngalampahkeun bae kana djalan beunang milih maranebanana [ 263 ]
bae. Eta bangsa-bangsa kapir ajeuna geus dongkap kana djangdjina, noe geus dipastenkeun koe Allah. Oerang kapir anoe aribadah geus meunang terang, ari brahalana djeung agamana nja koerang kawasa, djadi sija-sija, djadi kawas euweuh. Eta geus terangeun moestahil maranehanana djadi salamět, meunang kasenangan keur njawana koe kapintěranana, kawasana djeung kaběněranana pribadi. Eta pangrasa hatena koerang senang, sarta pada kangen kana barang anoe oetama, noe tatjan kanjahoan, sarta ari kangěnna beuki lila beuki rosa. Děmi lalampahan bangsa Israil eta keur bangsa kapir anoe darareukeut nja kawas hidji djalma anoe ngawoeroek dina těgal kikisik. Ti wates oerang Israil dibaroewang ka tanah Baboel, sarta toeloej pabalěntjar kana sakabehna tanah-tanah, toeloej di mana-mana koe oerang Jahoedi diaradegkeun masigit-masigit. Di dinja oenggal poë sabat dipangmatjakeun djeung dihartikeun Kitab Toret djeung Kitab para nabi. Ari koe djalan kitoe oerang kapir oge meunang njaho tina hal Pangharepan oerang Israil. Djalma aribadah di lebah oerang kapir, ari miloe koempoel dina masigit oerang Jahoedi, sok maranggih di dinja anoe katjida dikangěn koe hatena, nja eta agama anoe soetji, anoe bisa njenangkeun hatena. Loba anoe toeloej arasoep kana agama Jahoedi, dek ngalampahkeun satimbalan Toret. Anoe kitoe pětana disěboetkeun: moealap sidik. Araja deui anoe noetoerkeun kana agama oerang Jaboedi hanteu djeung asoep kana agama Jahoedi koe djalan disoenat. Eta pada daratang kana masigit, pada ngawatja kana Kitab Soetji, sarta pada maritjeun pangabaktina kana brahalana. Anoe kitoe pětana diseboetkeun moealap lawang, batoer oerang Jahoedi, djeung deui djalma aribadah.

Nja kitoe djalanna oerang kapir oge ditjawiskeun kana dioewarkeunana Indjil. Keur oerang kapir oge djaman njawiskeun kasalamětan geus djědjég.



  1. (¹) Opat nagara noe dítoempoer, nja eta Sadoemoe, Gomora, Adma djeung Séboim (5 Moesa 29: 23). Oeroet enggonna, nja eta ajeuna laoet Paeh.

  2. (¹) Eta kapala balad Pangeran, samangsa nembongan ka Ibrahim, ka Ishak djeung ka Jakoeb, andjeunna diseboetkeun Malaikat ti Pangeran.