Volksalmanak Soenda 1921

Ti Wikipabukon
Volksalmanak Soenda 1921  (1921) 

[ I ]

VOLKSALMANAK
SOENDA 1921


TAHOEN KA III.




DRUKKERIJ VOLKSLECTUUR
WELTEVREDEN ― 1921

[ II ]

VOLKSALMANAK
SOENDA


□ 1921 □


TAHOEN KA III.




LANDSDRUKKERIJ ― WELTEVREDEN

[ III ]
EUSINA.
Katja.
1. Pihatoer 1
2. Dintĕnan dibabarkeunana radja-radja djeung pangagoeng 2
3. Hari bĕsar 2
4. Roepa-roepa itoengan tahoen 3
5. Samagaha 3
6. Almĕnak ringkĕs tahoen 1921 (1339−1340) 4
7. Kapala Pamarentah Priboemi 28
8. Volksraad 31
9. Aksara-aksara noe aja hartina 32
10. Lobana tjatjah djiwa nagara-nagara di Hindia Walanda 33
11. Pamarentah Agoeng 35
12. Tina hal rentĕn 37
13. Tina hal oekoeran djeung timbangan 38
14. Beuratna barang dina 1 d.M3. 39
15. Post djeung telegraafdienst 39
16. Postspaarbank 41
17. Tina hal hoedjan 43
18. Goedang boekoe Goepĕrnemen djeung goedang Bale-Poestaka 46
19. Pandjang oemoer 47
20. Lilana reuneuh 48
21. Lilana ĕndog nĕpi ka mĕgar 48
22. Balajar make kapal Koninklijke Paketvaart-Maatschappij 49
23. Atoeran kareta api 53
24. Boekoe doktor 54
a. Tina hal katjang 54
b. Tjaoe 58
c. Kawoeng 61
d. Ganas 63
e. Gĕdang 65
f. Kalapa 66
g. Pala 67
h. Soepa 68
i. Roepa-roepa lalab djeung boeboeahan anoe sok dipake oebar-oebaran (andewi – senggang – boeloestroe – bonteng – djaat – tjabe – lobak – sasawi lĕmah – saledri – solasih – goela tiwoe – terong – wortĕl – djamboe – doekoeh – djoewĕt atawa djamblang – dalima – manggoe – salak – sawo manila 69
[ IV ]
Katja
Roepa-roepa kasakit noe sok tjageur koe dangdaoenan djeung akar-akaran: bisoel − mĕnġi − dipatjok oraj djeung sapapadạna − koe seuneu − gondongeun − ngising gĕtih djeung mentjret − kasoera − kesang meuting djeung sabangsana − hileudeun − intjok − batoek − rieut − radang − njĕri hoentoe − moeriang − beukah kawaja − salatri − malaria − njĕri tjeuli − hapoer − patek − koeris − rhumatiek − koerap − boedoeg − batoek gangsa − raheut − tjatjingeun − tjatjing pita 73
Tamba patek 85
25. Hal pangawĕroeh awewe 86
a. Hal ngatik boedak 86
b. Ngabĕrĕsihan marmĕr − pigoera − eunteung − wadja − tambaga − gading − bangsa perak − gĕdah − botol − (toembila − beurit − laleur) − Tarekah dina waktoe kahoeroean − ngaleungitkeun tarotol tina lamak (tai hiang − mangsi) − pakean anoe katjitjian anggoer atawa kageutahan koe

boeah − katjitjian kopi − koe tjet − tjimeuting || 89

c. Kabĕrsekaan 95
d. Njieun koeroepoek koelit djeung koeroepoek oerat 97
e. Njieun doepa 97
f. Sop hoerang − sop tirĕm − lalawar − sambĕl goreng − sambĕl badjag − kari djĕpang − bobotok iwoeng − toge − atjar iwoeng − podĕng soekoen 98
26. Kapĕrloean djoeroe tani 102
a. Mĕlak karet 102
b. Tatanen oerang Priboemi 103
c. Palawidja 103
d. Mĕlakan lalamping 104
e. Pikoel dikilogramkeun djeung sabalikna 104
f. Oekoeran lĕgana 105
g. Miara djĕroek 105
h. Ngabibit koeda 105
i. Atoeran ngampihan pare 108
27. Hal katangtoean-katangtoean djeung atoeran-atoeran 115
a. Tina hal panjakit-panjakit hewan anoe sok tepa 115
b. Segĕl 117
c. Rinkĕsan bab padjĕg 120
d. Njadiakeun kadaharan noe djadi tatali hoerip 124
28. Roepa-roepa kanjaho 130
a. Bandera Walanda 130
b. Sireum 130
[ V ]
Katja
c. Mamalana laleur 131
d. Baraja bangsa manoesa anoe landĕs 132
e. Ngĕtjet beusi 133
f. Ngĕtjet batoe 134
g. Ngĕter kai 134
h. Ngadĕmpoel kai 134
i. Tembokan 134
j. Ngĕtjet kai 135
k. Panolak kana boeboek 135
l. Ngadjar koeda 135
m. Bab hoedjan 136
n. Baroeang manoesa 138
o. Intĕn 139
p. Barometer 144
q. Soealan 151
r. Loehoerna goenoeng 152
s. Woelang oetama 153
t. Njaroeakeun waktoe 154
u. Nganjahokeun madhab 154
v. Gantjangna boemi djeung salian ti eta 156
w. Djĕrona laoetan 156
x. Gogodong keris 156
Mangle.
29. Babad Tjirĕbon 166
30. Sakola Insinjoer di Bandoeng 168
31. Nji Dewi Rarakidoel 170
32. Babad Wajang poerwa 175
33. Nji Poeniandjoeng djeung monjet mandah 179
34. Korontjong 184
35. Dongeng sakadang koengkang 188
36. Tina hal djapati 191
32. Sadjarah Tjikoendoel 194
38. Babad Soemĕdang 209
39. Dajeuh Madjapait 234
40. Ĕndog anoe aneh 235
41. Tjinjoesoe oejah di Grobogan 236
42. Hal kapĕrtjajaan ka doktor 237
43. R. A. Poedjaningrat 238
44. Dangdanggoela Laoet Kidoel 240
45. R. A. Aria Koesoema di Ningrat 246
46. Tjadoe atawa boejoet 248
47. Aksara W 255
48. Tjatjandran 258
[ VI ]
Katja
49. Dongeng warna-warna 259
a. Sasambatna galatik 259
b. Maehan tjaktjak 263
c. Hajam adoe djeung oetjing 264
50. Doea potret beunang milih noe ngagaraleuh 268
51. Mas Pirngadi 269
52. Hikajat nganggo dangding basa Soenda Bantĕn Parahiang, tjarios kaajaan di kaboepaten Lĕbak sarĕng Serang, didjěněngkeun: Asmara Sri Angga 273
Něrangkeun lĕpatna Volksalmenak 1919 293
[ VII ]

Kangdjĕng Ratoe Iboe sarěng Poetoe dalěm RATOE POETRI JULIANA

[ 1 ]

PIHATOER.

Ieu almĕnak kaloearan Bale Poestaka anoe katiloe. Dina oenggal tahoen anoe ngagaraleuh alměnak ti Bale Poestaka tambah-matambah bae lobana, datang ka dina tahoen poengkoer mah kapaksa kĕdah njitak deui, doemeh almĕnak geus seep, ari anoe ngagaraleuh moeroeboel keneh bae. Soepaja oelah kadjadian tjara tahoen poengkoer, nĕpi ka kapaksa njitak doea kali, dina tahoen ieu njitakna dilobaan.

Ngahatoeranan pakemoet ka sakoer anoe bade ngagaraleuh almĕnak ti Bale Poestaka, soepaja kĕrĕsa pĕsĕn ti awalna, margi anoe pěsĕn pangpajoenna dioeroesna ti pajoen, noe ti poengkoer, ti poengkoer deui.

Dĕmi pakeun eusina almĕnak tahoen 1922, panĕda Bale Poestaka ka sadaja boedjangga Pasoendan, moegi karĕrĕsa ngadeudeul koe karangan anoe sarae sarĕng mangpaat, noe agĕng pedahna keur nambahan kamadjoean oerang Priboemi sarĕng pangwoewoeh kanjaho bab kaajaan kapoeloan Hindia-Wetan. Oepadi gambar sarĕng potret palataran Tanah Hindia anoe rarĕsmi, tan wande dipĕrloekeun dilĕbĕtkeun kana alměnak 1922.

Ari potret djĕlĕma anoe baris dilĕbĕtkeun ngan potret djalma2 anoe galĕde jasana bae, atawa sakoerangna oge anoe aja caritakeuneunana. Gambar djĕlĕma anoe katjida pisan kolotna atawa aja kaanehanana salian ti eta, beunang oge diasoepkeun kana Volksalmanak.

Kadjabi ti eta, pĕrloe ditjarioskeun di dieu, margina ieu almĕnak hĕnteu patos kandĕl sapĕrtos alměnak tahoen 1920, nja eta saperkawis pangaos kĕrtas beuki mahal bae, ongkos njitak woewoeh loehoer, kawoewoeh deuih boeroehan anoe karoeli beuki dieu beuki agĕng bae, doepi paniatan Bale Poestaka hĕnteu bade naekkeun pangaos alměnakna ti f 0.75, pambrihna ngarah kabĕdag koe djĕlĕma noe teu garadoeh, noe rarĕsĕp nambahan kanjahona.

Salam

Bale Poestaka.

__________

[ 2 ]Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/9 [ Gb1 ]

Kangdjěng Toean Běsar Goepěrnoer-Djendral

Mr. J. P. GRAAF VAN LIMBURG STIRUM.

[ 3 ]

4. ROEPA-ROEPA ITOENGAN TAHOEN.

TAHOEN WALANDA 1921 TJOTJOG DJEUNG.
Itoengan Jahoedi tahoen 5681-5682.
Itoengan Tjina tahoen 4557-4558.
Itoengan Djawa tahoen 1851-1852.
Itoengan Arab (Hidjrah) tahoen 1339-1340.


5. SAMAGAHA.

Dina tahoen 1921 baris aja doea kali samagaha panonpoë djeung doea kali samagaha boelan.

Samagaha panonpoë hĕnteu katembong ti Tanah Hindia. Ari samagaha boelan anoe mimiti, nja eta tanggal 22 April, nĕpi ka beak, katembongna ngan ti Tanah Hindla beulah Wetan bae (Nieuw-Guinea); samagaha boelan kadoea-kalina tanggal 17 October, katembongna ngan ti Poelo Soematra bae.



Pirang² kasangsaraan anoe lantaranana tina gagabah, djeung tina sok poho nimbang², naha koemaha lampah oerang teh keunana ka batoer. [ 4 ]

6. ALMĔNAK RINGKĔS TAHOEN 1921 (1339—1340).
Boelan Walanda. Boelan Islam. Tjatĕtan.
JANUARI RABI'OEL-ACHIR
1 Saptoe Paing 20
2 Ahad Pon 21
3 Sĕnen Wage 22

K aliw on L ëg i P a in g Pon W ag e

21 22 23 24 25 26 27


4 S a la sa ‘5 R ëbo 6 K ë m ts 7 D jo em aah 8 Sap to e 9 A had 10 Sënen 11 12 13 14 15

S a la s a R ëbo K ëm is D jo em aah Sap to e

16 A had 17 Sĕn en 18 S a l a s a 19 R ë b o

20 K ĕ m is

21 D jo e m a a h 22 S a p t o e

23 A had 24 S ë n e n 25 S a la s a 26 27 28 29

ïv ë b o K ë m is D jo e m a a h S a p to e

30 A had 31 S ë n e n

Kaliw on 28 i L ëg i - 29 1 D JO E M A D IL -A W A L P a in g 1 [ P on 2 j' W ag e 3

  • K aliw on

4 j L ëg i 5 P ain g Pon W age Kaliw on Lëgi P a in g Pon W age K aliw on Lëgi P ain g Pon W age Kallw on Lëgi P ain g — 4 —

6

7 S

9 10 11

12 13 14 15 16 17 18 19 20

21

[ 5 ]

TJATETAN JANUARI.

[ 46 ]

18. GOEDANG BOEKOE GOEPERNEMEN DJEUNG GOEDANG BALE-POESTAKA.

Sakabeh boekoe² anoe dikaloearkeun koe Goepĕrnĕmen didjoealna koe Administrateur „'s Lands Depot van Leermiddelen” di Weltevreden. Ari boekoe2 kaloearan Bale-Poestaka bisa peuseun ka kantor Volkslectuur (Bale-Poestaka) di Weltevreden atawa ka sub. depothouderna.

Saha-saha anoe rek barangbeuli ka Depot van Leermiddelen, hade ngirimkeun doeit bae ka toean Administrateur ’s Lands Depot van Leermiddelen djeung soerat menta anoe dipikahajang tea. Engke ti ditoe dikirimkeun koe dienst ka oerang.

Depot van Leermiddelen nja kitoe deui Bale-Poestaka tara nampa beubeulian anoe doeitna teu kontan, salawasna koedoe doeitna heula bae. Sanadjan oerang ngirimkeun paranko oge, tara ditampa eta paranko tangtoe dikirimkeun deui ka oerang. Koe sabab eta doeitna koedoe make postwissel bae. Ongkosna ngawesĕlkeun lamoen koerang ti ƒ 25, 12½ sen. Postbon hargana pikeun 50 sen ½ sen, sakoerang-koerangna sasen; ieu postbon hade dihidjikeun djeung soerat bae.

Bale-Poestaka boga catalogus pribadi, sarta hĕnteu koedoe dibeuli, saha bae anoe menta dikiriman.

Dĕmi eta Agent² teh ajana meh di oenggal kota bae, di sakoeliah Tanah Hindia, ieu di handap ditoeliskeun:


KARESIDENAN:

Bantĕn.

M. Antawidjaja, Laboean.
R. Haerani, Pandeglang.
Sadid, Serang.


Batawi.

Drukkerij Favoriet, Senen 59.
M. Awal, Buitenzorg.
H. Moh. Saleh, Pasardjoem‘ah (Krawang),
M. Soemantapoera, Krawang.
Tan Thian Soe, Pantjoran 427.
Kho Tjeng Bie, Batavia.
N. V. Uitgevers Mij. Evolutie, Senen 60.
Moechammad Toha, Tanabang.

[ Gb2 ]LID-LID, KOEMISI-VOLKSLECTUUR (BALE POESTAKA)

Mr. A. NEITJTZELL DE WILDE - L. Th. j. WOLTERBEEK MULLER G. VAN DER VEEN - J.H. ZIESEL - R. Dr. HOESEIN DJAJADININGRAT R.T. WIRANATA KOESOEMA - R.M.A.A DHIPOKOESOEMO Dr. D.A. RINKES - A.F. FOLKERSMA PrOF. P.C. FLU - L. F. VAN GENT - H.C.H. DE BIE A. DE GEUS - T. HELLWIG [ 47 ]

Priangan.

M. Prawirawinata, Soekaboemi.
H. Abdoerrachman, Tjiandjoer.
Aricham & Co., Bandoeng.


Tjirĕbon.

R. B. Kartadirĕdja, Tjirĕbon.

Hargana boekoe-boekoe di dieu oge, di Agent, saroea bae djeung di Depot, ngan di dieu mah koedoe make ongkos keur ngirimkeun ka oerang, sabab ieu mah teu meunang ngirim keur make dienst. Pikeun noe salĕmboer djeung Suo-depothouder mah, gampang pisan lamoen rek meuli boekoe-boekoe teh, teu koedoe make ongkos naon-naon deui.


19. PANDJANGNA OEMOER.

Laoek paoes 800 tahoen. Koeda 40 tahoen.
Conto Conto Conto Conto Conto Conto Conto
Conto Conto Conto Conto Conto Conto Conto
.............

G ad jah .......................... XCoeja ......................... H eulang .................... Sljow a (d ënd ang).. T jo etjn h .................... K alde ......................... M anoek R ad jaw ali. O nta ............................ G agak ........................ Soang ......................... Laoek tam bôra . . . . Laoek alau ............ Elcek ........................... Tirëm m o e jia ra 80

ft .........................

Djôlômn. ......... 80 â. Ponggok .................... S in g a ........................ B ango ........................ B a d a k ........................

F A K B JA N G N A O E M O E R . SO0ta b o e n . 350 „ 250 „ 150 „ 110 „ 105 „ 105 „ 100 „ 100 „ 100 „ 100 „ 100 „ 100 ,, 100 „ 100 100 75 70 60 50

„ „ „ „ „ ,,

K o e d a ............................ D jo e la n g ............... L e n ta h ........................ 3 a b i ............................... S ap f ................. 20 Cl A n d jin g ........................ B a ro ea n g ............... Iv a p itin g ............... H a ja m d ja g o 13 ft O e tjin g ........................ D om ba ........................ T ja r e u li ........................ S ireu m ........................ 33mbe ............................ K o e p a n g ......... 12 ft 7..fioeU fin in s * .. 10 ft ü a n g k o n g h c fljo .. T j a t j i n * ....................... N jir o fn n (r a d ja n n ). L a n t ja h .............. 1 & N jiro p an .......................

41 tah o e n . 40 27 25 25 24 20 20 20 18 1» 16 1B

lî H

12 10

10 5

40 P p'v‘ [ 48 ]

20. LILANA REUNEUH.

Koeda 307-412 poë ; biasana 340 poë.
Sapi 204-311 " ; " 284 "
Domba 146-157 " ; " 152 "
Babi 113-120 " ; " 116 "
Kalde 360-370 " ; " 365 "
Ĕmbe 150-160 " ; " 154 "
Kĕlĕntji 29-31 " ; " 30 "
Andjing 58-63 " ; " 60 "
Oetjing 62-68 " ; " 65 "




21. LILANA ĔNDOG NĔPI KA MĔGAR.

1. Toke, tjaktjak 50 a 60 poë.
2. Soang gĕde 38 "
3. Mĕrak, soang 28 "
4. Kalkoen 26 a 28 "
5. Mĕri 24 a 28 "
6. Toeweuw 24 "
7. Tjangehgar 24 "
8. Bango 23 "
9. Hajam 21 "
10 Oraj 21 "
11. Manoek boeah 21 "
12. Djapati 14 "
13. Koekoepoe 14 "
14. Bangkong 4 "
15. Njiroean 2 "
16. Laleur 1 "




Dina pĕrkara adil djeung teu adil koedoe koekoeh batan goenoeng, dina perkara lianna koedoe landoeng nja aisan. [ 49 ]

22. BALAJAR MAKE KAPAL
KONINKLIJKE PAKETVAART MAATSCHAPPIJ.

a. NGABADAMIKEUN TĔMPAT.


Saha² noe rek lajar make kapal K. P. M., oepama hajang meunang tĕmpat anoe hade, pidoea-poëeun deui koedoe geus mere njaho djeung geus meuli kartjis ka Agent kapal.

Lamoen lajarna hĕnteu make kapal anoe geus dibadamikeun (dipenta), oepamana noempang kana kapal sedjen, panoempang didĕngda gĕdena satĕngahna tina harga kartjis anoe geus dibeuli, anging lamoen gĕring atawa aja sabab anoe sah.

Di djĕro kapal toean kapten kawasa mindahkeun tĕmpat panoempang ti tĕmpat ieu ka tĕmpat itoe atawa ti ditoe ka dieu, tapi teu beunang mindahkeun ka kĕlas sahandapeun kĕlas anoe kasĕboet dina kartjis.

Djĕlĕma anoe boga kasakit anoe sok tepa, atawa anoe gelo, teu beunang dibawa koe kapal anoe bijasa ditaroempakan koe djĕlĕma.

Ngĕtok kawat ka kapal, beunang; tapi ngan baris meunang djawaban, lamoen eta telegram keur djawabna geus dibajar ti heula.

b. BAJARANANA.

Tarip kapal geus ditĕtĕpkeun djeung geus disaroeakeun pikeun panoempang noe oemoerna geus leuwih ti 12 tahoen.

Baroedak anoe oemoer 3-12 tahoen majar saparo.

Baroedak anoe tatjan oemoer 3 tahoen, teu majar. Doea boedak anoe tatjan oemoer 3 tahoen, meunang hidji tĕmpat-tidoer, tapi koedoe majar ¼ bajaran kolot; 3 boedak ti hidji „familie” (saoempi) meunang doea tĕmpat tidoer, majarna ½ kolot.

Anoe meunang koerang majarna:

(1) Bajar saparo, di kĕlas I djeung di kĕlas II, baroedak sakola anoe tatjan oemoer 21 tahoen noe rek ka sakola atawa tas kaloear ti sakola, nja kitoe deui anoe balik djeung madjoe dina waktoe vacantie. Eta moerid koedoe mawa katĕrangan ti kapala sakola; lamoen teu kitoe koedoe majar djĕdjĕg.

Moerid² S.t.o.v.i.a. djeung N.I.A.S. mah anoe oemoerna geus leuwih ti 21 tahoen oge, meunang majar saparo bae.

(2) Moerid² sakola ambtenaar bangsa Priboemi, oepama meulina kartjis kĕlas 4, beunang noempang di kĕlas 3, kadjaba ti eta meunang potongan bajaran deuih, 15%. Goeroe agama djeung oempina, lamoen aja soerat katĕrangan, bajaranana beunang disaroeakeun djeung moerid².

(3) Oerang Priboemi, Arab djeung Tjina anoe hĕnteu miloe dalahar dina medja gĕde, ngan di klas II bae, meunang potongan [ 50 ]bajaran 20%. Maranehanana meunang sangoe tiloe kali sapoë, tjipanas djeung tjiatah sakarĕp-karĕp.

Kartjis poelang-pĕgi make tempo 6 boelan ngan pikeun kĕlas I djeung II bae, hargana 17 kali kartjis biasa.

Samemeh balajar rek balik, eta kartjis koedoe ditanda heula koe Agent.

Panoempang anoe hĕnteu make kartjis poelang-pĕgi, anoe balik deui sadjĕro 6 boelan, dina balajar balikna meunang potongan bajaran 15%, oepama noempangna di kĕlas I djeung II. Tapi lamoen make djalan sedjen, hĕnteu make deui djalan bareto, meunangna potongan, ngan 7½%.

Di kapal, panoempang² mareunang dahar. Tapi lamoen kapal eureun dina hidji palaboean leuwih ti 24 djam, sakabeh panoempang koedoe taroeroen ka darat; beunang oge tjaritjing di kapal bae, tapi koedoe nambah bajaran:
klas I, ƒ 6: — klas II, ƒ 4.50; — klas III, ƒ 2; — klas IV, ƒ 0.75 dina sapoë.

Panoempang anoe ngabedjaan, jen teu rek dahar, dina waktoe pitiloe-djameun deui kana waktoe dahar, eta teu koedoe majar oeang dahar.

Pagawe Nagara anoe noempang di klas I atawa di klas II, meunang pĕre hidji boedjang di klas IV; djeung lamoen eta ambtenaar boga anak doea, anoe tatjan oemoer 3 tahoen atawa anak tiloe, anoe geus oemoer leuwih ti 3 tahoen, meunang mawa 2 boedjang, noempang di klas IV, pĕre.


c. SASATOAN.

Bangsa manoek djeung sato sedjen teu beunang dibawa ka kamar, koedoe diasoepkeun kana kandang atawa tjarangka. Sasatoan koedoe ditimbang sapĕrti barang² bae, sabab di kapal mah dianggap bagage (bahaseu). Ari ngadjagana djeung marabanana koedoe noe boga pribadi.

Andjing, oetjing djeung monjet hĕnteu ditampa koe kapal.


d. BARANG² (BAGAGE).

Sagala barang² anoe beunang dibawa ka kamar, djeung korsi sahidji pakëeun dina dek, eta hĕnteu koedoe majar. Pĕti² anoe galĕde djeung bangsa boeboeahan hĕnteu beunang dibawa ka kamar. Bagage² noe sedjen koedoe diteundeun di tĕmpatna, di kapal; anoe bogana, dibere regu, nja eta soerat katĕrangan.

Bagage² koedoe dibawa ka kapal, sabeunang-beunang pi-24-djameun deui kana mangkatna kapal. Ongkos mawana ka kapal djeung mawana ti Kapal, eta kabeh tanggoengan anoe boga barang. [ 51 ]Sakabeh babawaan (bagage) koedoe ditalian sing pageuh sarta diadresan sing tĕrang. Lamoen teu kitoe, dimana eta barang leungit, noe boga teu meunang ganti.

Lantaran teu noeroetkeun eta atoeran, mindĕng pisan aja kasoer atawa tĕmpat-tidoer anoe leungit.


BARANG² ANOE TEU MAJAR ONGKOS.

OEMOER. Kl. I djeung II Kl. III djeung IV. Kl. I. Kl. II. Kl. III djeung IV.
12 tahoen djeung leuwih. 1 M³. ¼ M³. 150 KG. 75 KG. 40 KG.
3-12 tahoen. ½ M³. ⅛ M³. 75 KG. 37½ KG. 20 KG.
1 boedak koerang ti 3 tahoen. - - - - -
2 boedak, koerang ti 3 tahoen. ¼ M³. 1/16 M³. - - -
3 boedak, koerang ti 3 tahoen. ½ M³. ⅛ M³. - - -

Bagage anoe leuwih beurat ti batan anoe geus ditangtoekeun, diitoeng djeung ditimbang hidji² atawa diitoeng eusina, noeroetkeun kahajang Maatschappij.

Lamoen barang² anoe kasĕboet dina regu aja anoe koerang, anoe boga koedoe gantjang bebedja ka Commandant atawa ka Agent. Ĕmas, perak, doeit, pĕrmata djeung barang² anoe marahal kitoe, beunang dipangngampihankeun koe Commandant, lamoen aja pamentana noe boga. Commandant teu kawadjiban noelatenan, lamoen eta barang dibawa koe noe boga pribadi.

Saha² anoe di kapal njieun obat bĕdil, patrom, benzin djeung salian ti eta sakoer anoe matak balai, hĕnteu kalawan idin kapal, eta djĕlĕma didĕngda ƒ 500.-.

Lamoen barang² oerang hajang didjaga hade², koedoe njarita hal eta ka Agent, atawa lamoen teu aja Agent, ka Commandant, menta soepaja barang² oerang didjaga hade², toeloej majar noeroetkeun noe kasĕboet dina tarief.

Saha² noe hajang njaho tambangan kapal, koedoe nanja ka Agent.

Ieu di handap ngan ditoeliskeun tambangan ka sawatara tĕmpat bae, hĕnteu kabeh. [ 52 ]Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/21 [ 53 ]Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/22 [ 54 ]

b. Naek kareta kĕlasna beda djeung noe disĕboet dina kaartjis.
c. Tjitjing bae dina kareta, padahal geus tĕpi ka station noe didjoegdjoeg.
d. Naek kareta hĕnteu noeroet sakoemana parentahna ponggawa kareta api.
e. Asoep kana kareta, atawa njoba-njoba asoep, atawa mangngasoepkeun batoer kana kareta, atawa moeka panto, atawa ka loear tina kareta, waktoe kareta leumpang keneh, atawa tatjan eureun běněr.
f. Toeroen tina kareta, kaloear tina panto, lian ti noe diboeka koe ponggawa kareta api.
g. Oedoed dina kareta anoe aja toelisanana, jen dilarang oedoed.
h. Lalaki asoep kana kareta, anoe dibakoekeun pikeun awewe bae.
i. Njidoeh dina djĕro kareta.

Pangagoeng kareta api dikawasakeun menta karoegian ka djělěma-djelēma, anoe ngotoran atawa ngaroeksakkeun naon-naon, atawa anoe njowehkeun koelamboe djeung sabangsana; eta karoegian tea koedoe dibajar harita keneh.

Djělěma-djělěma meunang mawa barang-barang kana kareta, tapi koedoe noe leutik, noe beunang diteundeun di handapeun atawa di loehoereun těmpat dioek, asal hĕnteu njoesahkeun ka batoer.

Hal mawa barang-barang noe kitoe teu koedoe make soerat, tapi koedoe didjaga koe noe boga sorangan.

Dilarang mawa barang-barang anoe sok bitoe, atawa anoe matak njoesahkeun atawa nyalĕmpangkeun, bisi ngaroeksak kana kareta komo deui sasatoan, bědil dieusi djeung sabangsana.

Djĕlěma noe ngalanggar ieu atoeran, misti ngaganti sagala karoegian djeung dihoekoem, sakoemaha noe kasĕboet dina reglement kareta api.

Lamoen ponggawa kareta manggihan barang-barang noe kitoe, eta barang koedoe dipindahkeun kana kareta barang, atawa ditoeroenkeun tina kareta, di station boh halte anoe pangmimitina kaliwatan.




24. BOEKOE DOKTOR.

TINA HAL KATJANG.

Katjang pandjang atawa k. toeroes. Sarerea oge geus moal aja noe bireuk kana katjang pandjang mah, da meh di sakoeliahna aja bae pělak katjang pandjang teh nĕpi ka těmpat anoe loehoerna ti laoet 2000 kaki mah, oerang sok manggihan bae kĕbon katjang pandjang.

Katjang ngora dipikabeuki koe sarerea, aja anoe didahar atah bae didjieun lalab, aja anoe dikoeloeb atawa diseupan heula didjieun [ 55 ]
pasak sajoer, diangeun atawa didjieun gado-gado; aja oge anoe sok ngoerab katjang: lamoen oerang arek ngoerab katjang, seupan katjang koe oerang koedoe diteukteukan parondok, toeloej dioejahan sarta dikalapaan beunang maroed, diboengboean koe bawang beureum beunang ngarendos, bawang-bodas, tjikoer saboekoer djeung ditjidjĕroek-mipisan saeutik. Di Djawa-Wetan siki katjang pandjang anoe geus asak, dina oesoem paila, sok digodog, pek dioejahan djeung dikalapaan beunang maroed, koe oerang dinja disĕboetna krawon; eta sok diparake minangka panjĕlang. Kadjaba dikitoe, sok dipake njampoeran kĕtan atawa tjĕre make kalapa diparoed, diseupan didjieun leupeut. Daoen katjang noe ngora sok didjarieun lalab, boh atah boh seupanna. Awewe anoe keur njoesoean sok dahar seupan daoen katjang, pambrihna djoeoeh tjisoesoe. Daoen katjang dirieus djeung tĕwas saeutik, toeloej dibaloerkeun kana soesoe, watĕkna njaatan tjisoesoe.

Katjang-herang. Ieu katjang tamba anoe mandjoer katjida kana kasakit beri², sarta aloes pikeun didjieun panjĕgah deuih. Koe noe boga kasakit beri², eta katjang koedoe didjieun kadaharan, anoe babakoe, tjara noe tjageur kana sangoe. Katjang herang eusina loba bobodas-ĕndogna, boga watĕk tjara pĕrgasi djeung kana djadjantoeng matak koeat; koe sabab eta matak sĕnang boengah ati djeung aloes kana oerat² deuih.

Keur anoe sok ngoeloewoet pikir djeung koerang koeat badan, sop katjang-herang ditjampoeran koe boullon, gĕde pisan toeloengna; kitoe deui keur boedak anoe hengker, parias djeung mĕsoem taja goeam, hade pisan. Poetjoek katjang-herang, seupanna, sok diangeun, eta hade kana kawarasan badan.

Kadaharan anoe pang-pangna anoe didjieunna koe katjang-herang, nja eta koeëh-satoe. Noe didjieun: tipoeng katjang-herang djeung goela, toeloej bae ditjitak. Di Tjitjoeroeg, afdeeling Soekaboemi, aja hidji Tjina anoe sok nipoeng katjang-herang: eta tipoeng koe manehna sok didjoeal, diboengkoesan laleutik, disĕboetna oeng hwe, Oeng hwe babari pisan diboeboerna atawa didjieun ongol-ongol; eta hade didahar, matak sĕgĕr djeung matak lĕmpĕr kana hate.

Katjambahna deuih katjang-herang teh didjieun lalab, sok didjieun roepa² pasak sajoer djeung didjieun gado². Dĕmi njieunna katjambah² katjang-herang teh dikeueum sapeuting; isoekna oerang mawa boboko diamparan djarani, boh sapoe atawa eurih beunang neukteukan, woer diawoeran katjang beunang ngeueum tea, badeul ti loehoerna disapoean, ngoedjoerna papalang-palang djeung noe ti handap tadi tea, woer deui diawoeran katjang beunang ngeueum tea . . . . . . djeung satĕroesna. Eta boboko koedoe diteundeun dina tĕmpat anoe tiis, djeung koedoe dikepret koe tjai dina [ 56 ]sapoé doea-tiloe kali. Sanggeus doea poë eta katjang malĕlĕntoeng djadi katjambah barodas araloes, Loba anoe tjarita, oerang oelah beuki teuing kana katjambah, sabab sapĕrkara hese lĕmboetna dina kadoet, kadoea ngahoedang kasakit lieur. Di Soerakarta djeung Djogjakarta aja oge noe njieun katjambah koe soeoek, Tjek noe bareuki: katjambah soeoek leuwih ngeunah batan katjambah katjang-herang.

Katjang-kadĕle sok disĕboet oge katjang-djĕpoen. Katjang-djĕpoen anoe sok diparĕlak di oerang, di Tanah Hindia aja doea roepa nja eta: hideung djeung bodas. Katjang-djĕpoen hideung sok didjarieun: ketjap; ari noe bodas sok didjarieun: tetempe djeung tahoe atawa takoa.

Dĕmi njieun tahoe kieu: eta katjang dibĕrĕsihan heula dipitjeunan koeloemoedna djeung kokotor lian ti eta; toeloej dikeueum dina tjai bĕrĕsih lilana kira² 6 djam, ti dinja toeloej dirieus sing lĕmboet. Sanggeus kitoe toeloej digodog make tjai noe herang, nĕpi ka djadi boeboer. Dimana eta boeboer geus tiis toeloej dioejahan sarta dipoeroeloekan poejĕr batoe-tao beunang meuleum. Ari anoe disĕboet batoe-tao teh, nja eta gips anoe tatjan dibeuleum, djolna ti nagara Tjina. Eta boeboer dimana dipoeroeloekan poejĕr batoe-tao toeloej kimpĕl tjara sĕle. Koe sabab tahoe atah kitoe babari bari, soepaja oelah bari, koedoe diantjlomkeun kana tjai godogan koneng, nja ti loearna roepana koneng. Ari pĕtana mitjeunna tjai tina tahoe, eta tahoe dipasagikeun toeloej diboelĕn koe lamak, ditindihan koe papan, nja eta ngarah tjaina kapĕrĕs.

Katjang kadĕle radjeun oge didjieun kadaharan, digodog dioejahan; osok oge diangeun.

Daoenna, koe oerang Djawa-Wetan, asal oelah noe garing bae, sok dipake parab sapi atawa koeda.

Pĕrloe ditjaritakeun di dieu: djĕlĕma anoe boga kasakit goela, hade pisan daek dahar roti katjang kadĕle. Ari njieunna roti kieu:

Koe oerang katjang teh dikeueuman sapoë, toeloej dipoë meunang ±2 djam; sanggeus kitoe toeloej ditoetoean ditipoeng, tipoengna dipoë deui nĕpi ka toehoer pisan. Ti dinja njokot ĕndog 6 atawa 8 mah, toeloej dikopjok, tapi dikopjokna beubeureumna koedoe dipisahkeun djeung bobodasna. Sanggeus kitoe toeloej njokot lahang satjangkir, tipoeng kadĕle tea ½ pon djeung oejah saeutik, eta kabeh ditjampoerkeun djeung ĕndog anoe beunang ngopjok tea didjieun adonan. Eta adonan koedoe digalĕj meunang saparapat djam, geus kitoe ditjitak diantĕp disina beukah lilana satĕngah djam. Ti dinja kakara dibeuleum: mimitina diseuneuan ti handap, toeloej ti loehoer.

Tetempe katjang kadĕle sarerea oge meureun moal bireuk, malah koemaha pĕtana njieunna geus ditjaritakeun dina almĕnak tahoen 1920 katja 104. Tapi hal di Djawa-Tĕngah sok loba anoe njarieun [ 57 ]te te m p e k o e h ir is m a h , k a w a s n a m o a l p a ti lo b a a n o e tlir a n g . T j e k •anoe t j a r i t a , te te m p e h ir is le u w ih n g e u n a h m a n a n te te m p e k a d ë le . A j a d e u i a n o e p ë r lo e d i t ja r i t a k e u n di d ie u , ak at* k a t ja n ,ï - k a d é l e a j a r a t jo e n a n , m a t a k m o e lë s d je u n g m a t g k o e tn h -o e tr .h a n . S o e o e k. B a b a k o e n a s o e o e k t e h s o k d id ja n e u n m i n ja k ; t a p i l a n t a r a n n ji e u n n a m i n ja k t e h k o e k a m p a a n k a i, d ja d i b e u b ^ u n a n g a n a n a h ë n t e u s a k i t o e lu b a n a t j a r a la m o e n m a k e m ësfn A r i p ë t a n a n jie u n m i n ja k s o e s o e k k ie u : m im ili s o e o e k d ip ë s e k . to e lo e j s ik i t e h d ig ilin g a t a w a d ito e to e a n , s e u s k ito e d is e u p a n m a k e h a s e u p a n , teu b e d a t j a r a n je u p a n k e u n s a n g o e b a c . I î a n e u t 8 to e lo e j d ib o e n tè l k o e s a m a k a t a w a b a n g s a a n ja m a n l ia n t i e t a , t ë r o e s - d ik a n a -k a m p a a n k e u n .. H a m p a s n n sole n g a g ë b lc g dis<?Loetna b o e n g k i l a t a w a g ĕ b 1 ĕ g , a j a o g e a n o e n jê b o e t k e u n g e g e r n p a . A r i d i E it r o p a m a h d ik a m p a n a t e h k e u r t iis . A îo e s n a m in ja k s o e o e k a n o e b e u n a n g n g a m p a k e u r t lis t e h , b e u n a n g d ip a k e g a r a n t i m i n ja k r d je t a n a t a w à m i n ja k s a la d a h . D i T a n a h H in d ia , m i n ja k s o e o e k te h s a lim m a d ip a k e ?ro era n g g o r e n g a t a w a d ip a k e p a lit a , s o k d ip a k e o g e k n n a n g a b a t i k ; d je u n g s a n g g e u s d i o e r a n g a j a p a b rilc s a b o e n , m in ja k soeoc-k s o k d ip a k e p ik e u n s a b o e n d e u ih . A r i b o e n g k iln a , di D ja w a - T ë n g a h d je u n ir W e t a n , lo e m b r a h p is a n s o k d ip a r a k e g ë m o e k , b a b a k o e n a p is a n di lcëb o n tiw o e ; r a d je u n o g e d ip a k e p a r a b k o e d a d je u n g s a p i, ta p i t e u m e u n a n g - lo b a 2, a r i k o e o e r a n g S o e n d a m a h s o k d ip a r a k e p a r a b l a o e k ; d je u n g s o k d id ja r ie u n o n t jo m d eu ih . I C a d ja b a a n o e g e u s d it ja r i t a k c u n di Jo e lio e r, s o e o e k s o k d id iie u n k a t j a n g g o r e n g , d id jie u n k a d a h a r a n . A ri n ji e u n n a k a t ja n g g o r e n g d i o e r a n g , di H in d ia , d is a n g r a j d in a k a t e l t j a r a n j a n g r a j k o p i. D ë m i d i E u r o p a m a h d i s a n g r a jn a d in a t e h d in a d jë r o c y lin d e r k a l e p g a t a w a b e u s i, a n o e p a g e u h n a k a n a h id ji a s , s a r t a m a k e p a n jë k ë l a n p a r a n t i m Q e n tirk e u n e t a c y lin d e r t e a di m a n a k e u r d i­ p a k e n ja n g r a j. S a l i a n n a d id ja r ie u n k a t ja n g - g o r e n g k ito e , s o e o e k te h s o k d ik o e lo e b d e u ih , d id jie u n d e u n g e u n n g o p i a t a w a d in n g e u n k e u r d e u n g e u n san g o e. B e d j a n a s o e o e k t e h b e u n a n g d ip a k e t a m b a k a n a h e se m it je u n ; a j a d e u i k a o l m a d ja r s o e o e k m a t a k k o t o r k a r .a k a d o e t. K o e o e r a n g - T j i n a s o e o e k s o k d id ja r ie u n t e n g t e n g k e u r d e u n g e u n n g o p i. D i D ja w a - T ë n g a h d je u n g W e t a n , d a o e n s o e o e k s o k d id ja r o e a l t j a r a d jo e k o e t di o e r a n g , k e u r p a r a b s a t o , d is a r ë b o e t n a r e n d e n g ta p i m a t a k m o e ro e s , n g a n t e u k a t ji d a ; k o m o s a t o a n o e tja n » b i a s a p a s t i n a k ë r k a t ë r a p n a m o e r o e s t e h . H ë n t e u s a k a b e h s o e o e k dao e n n a b e u n a n g d ip a k e ' p a r a b s a t o , a n o e b a b a k o e n g a n d a o e r s o e o e k - T ji n a b a e a n o e s o k d ip a r a k e t e h . l e u s o e o e k - T ji n a p â n g h e u ja n a a j a n a d i o e r a n g , a r i e u s in a b e u ti h id ji ceh 1 a t a w a 4 s ik i — 57 — [ 58 ]ditjaboetna dimana geus oemoer 6 atawa 7 boelan. Ari soeoek anoe lian ti eta, ajana di oerang, kabeh oge sapandeurieunana: aja anoe ti Afrika, ti Amerika, malah aja anoe ti Djĕpang. Dĕmi anoe mimiti pisan ngadatangkeun soeoek ka dieu, njaeta toean K.F. Holle, harita djoemĕnĕng Administrateur kébon ĕnteh di Waspada, deukeut Garoet; koe sabab eta soeoek teh sok disarëboet oge soeoek-hôla, maksoedna: soeoek-holle, radjeun oge disêboet katjang-Waspada. Ari keur ngabedakeun roepana soeoek aja doea roepa: kahidji koe, roepa koeloemoedna: bodas, kajas djeung beureum. Kadoea koe kaajâanana areujna: aja noë nangtoeng, ngarampidak, djeung ngareuj. Anoe pandeuri didatangkeunana ka oerang, dina beuti hidji teh eusina ngan oekoer 2 atawa 3 siki bae. Ari ngoentoengkeunana soeoek anoe beh dieu didatangkeunana, dina oemoer 3 atawa 3% boelanteh geus beunang ditjaboet.

Pikeun anoe mantarigan laoek (vegetariers) soeoek teh aloes pisan, nja kitoe deui katjang-kaděle djeung katjang-herang, sabab beunang didjieun roepa 5 kaolahan djeung kadaharan.


b. TJAOE.

Di oerang loba pisan boeboeahan djeung mangroepa-roepa deuih, tapi meh kabeh sok oesôem-oesoeman: ana keur madjahna oesoem mani njajeud, tapi koemaha ana keur teu oesoem, euwèuh keur pisarateun-pisarateun atjan. Ngan saeutik pisan boeboeahan di oerang anoe teu oesoem-oesoeman: tjaoe ka asoep kana bangsa boeboeahan anoe kitoe, teu oesoem-oesoeman; ěnja oge ana keur madjahna mah mani teu kadahar tjek babasan tea mah, tapi salawasna oge aja bae, tara aja euweuhna, ngan loba djeung henteu bae.

Lamoen oerang hajang ngaliarkeun tjaoe koede milih anakna noe hade, nja eta ngala ti dapoeran anoe geus ngarasa boeahan. Tjek bedja, lamoen oerang melak anak tjaoe ti dapoeran anoe tatjan ngarasa boeahan, sok tara boeahan atawa diboeahanana oge leuir pisan. Ari pelak tjaoe hade mah, biasana di tanah panas mah těpoeng boelan teh geus boeahan. Tina sadapoer boeahna noe hade ngan oekoer 3 kali atawa ngantěpna oge ngan 4 kali, liwat ti dinja mah boeahna sok goreng, djadji lamoen koe oerang těros dipiara bae teh moal gěde hasilna,

Aja roepa2 tjaoe anoe koe bangsa Europa djeung bangsa Asing sok diparake bibilas; anoe koerang hade kana bibilas sok diarasakeun heula: dikoeloeb, diseupan, digoreng, dibeuleum djeung dikolěk.

Tjaoe noe harade anoe djadi kabeuki sarerea, lolobana araloesna lamoen dipëlak di těmpat2 noe harandap, nja eta těmpat2 anoe hawana panas, ari bangsa tjaoe anoe koerang hade di pagoenoengan.

-58-

[ 59 ]Anoe asoep kana golongan tjaoe aloes, nja eta anoe soke diparake bibilas: tjaoe radja, tjaoe soesoe, tjaoe radja sĕreh, tjaoe ambon, tjaoe loemoet, tjaoe emas, tjaoe ampjang djeung tjaoe graita (babakoena di Djawa Tengah). Ari tjaoe anoe koerang kapake keur bibilas: tjaoe kidang, tjaoe hoerang, tjaoe gembor, tjaoe baji, tjaoe geulis tiis djeung salian ti eta.

Anoe ngeunahna dikoeloeb, digoreng, diseupan atawa dikolek: tjaoe galek, tjaoe kepok, tjaoe kapas (aja doea roepa: hedjo djeung koneng), tjaoe lampenong, tjaoe saboelan.

Hěnteu sagala tjaoe beunang dîgoreng, saperti: tjaoe soesoe, tjaoe ambon, tjaoe radja sĕreh, tjaoe kidang, eta kabeh lamoen digoreng teh sok leutaj teu ngeunah didahar.

Tjaoe radja koerang hade keur anoe koerang koeat kadoetna, hatena eta tjaoe hese dilějoerkeunana. Boedak leutik leuwih hade montong dibere tjaoe radja; lamoen kapaksa dibere dagingna koedoe dikoeroed koe peso. Tjaoe radja doea roepa, lain ngan sedjen gědena djeung bangoenna bae, tapi kandëlna tjangjang djeung dina asakna oge sedjen. Ari rasana mah doeanana oge meh saroea bae, katjida amisna.

Tjaoe soesoe. Rasanan tjaoe soesoe teu amis tjana tjaoe radja, ieu mah rasa sěmoe haseum. Keur boedak koerang hade nja kitoe deui keur anoe batoek sok ngaloearkeun reuhak.

Tjaoe radja sěreh katjida ngeunahna, seungit djeung poelěn deuih. Asalna ngan diparělak koe oerang Batawi bae di sapoetěr kota Batawi, tapi kabehdieunakeun di Priangan oge loba anoe marělak, malah ajeuna mah di Djawa-Tengah oge mimiti aja, ari di Djawa-Wetan mah langka keneh pisan. Teu tjaoe taja pisan mamalana, beunang dibikeun ka boedak oge.

Tjaoe ambon rasana amis-tiis sarta matak oero djeung běrěsih kana badan; aloes pisan didjieun salera. Anoe anjar ngadjoeroe soepaja oelah ngagetih hade pisan dahar tjaoe ambon hedjo. Ti wates 3-4 tahoen ka beh-dieunakeun oerang Banjoewangi loba katjida anoe marelak tjaoe ambon di sapoetěr kota Banjoewangi sarta ditoeloeng koe Pamarentah, ngahadja njadiakeun modal pikeun eta djeung ngajakeun pagawe-pagawena. Eta tjaoe ditoearna dina samemeh asak-bener, kira2 satengah asak, diwadahan koe karantjang beunang njieun koe kai bebekan leutik; toeloej dikoendjal ka kapal dibawa ka Australië.

Tjaoe loemoet. Ieu tjaoe sakanjaho sim koering mah ngan di Priangan bae ajana, kitoe oge ngan di pagoenoengan bae, ari di tanah2 datar anoe harandap mah euweuh. Boeahna leuwih leutik ti tjaoe ambon; tapi rasana meh asa tjaoe ambon tea. Anehna, anoe asak babari tarotol tjangkangna djeung tereh boeroek deuih.

-59-

[ 60 ]Tjaoe emas. Ieu tjaoe boeahna laleutik pisan, rasana katjida

nisna, hade didahar koe noe boga kasakit hese mitjeun. Tapi nteu oenggal djělěma hade dahar tjaoe émas, sabab ka sawareh djélema matak baroesoeh. Tjangkangna lamoen digelang matak leus kana koelit, matak lěměs kana ramo. Tjangkang tjaoe pas anoe geus garing dibeuleum diarah lěboena, ditjampoer djeung bebeureum endog aloes keur diangir, komo keur anoe leuleus seoek mah.

Tjaoe ampjang leuwih gede meueusan manan tjabe emas, sana amis tapi rènjah; anoe geus asak roepana koneng koleas. Aja deui tjaoe bangsa leutik, ngaranna tjaoe lampoeng, sana koerang amis; ieu tjaoe kaasoep kana golongan tjaoc anoe terang hade.

Tjaoe graita atawa waloenggrama noe loba di Banjemas djeung Tegal, gědena sèr bae ti tjaoe ampjang, leu oge njah, tapi djeung seungit deuih.

Tjaoe kidang tjangkangna beureum, watěkna tiis djeung matak oeroe, rasana semoe haseum djeung teu pati ngeunah.

Tjaoe gěmbor, rasana meh asa tjaoe kidang ngan dagingna awih leiněs; ieu oge tils watěkna djeung matak oeroe, ngan keur wareh djelèěma sok matak sariawan.

Tjaoe baji aloes keur tamba boedak njoesoe keneh, lamoen terang hade kadoetna (spijsverteering).

Tjaoe galek gěde kabina-bina, tapi dina satoeroejna tara Ari didaharna koedoe diasakan heuia: dikoeloeb, diseupan mah dipanggang atawa dikolak. Dina keur euweuh roti, ieù tjaoe unang dipake ganti didaharkeun ka boedak. Awahing koe gěde ukna tjarang bisa bareng, mindeng pisan sawareh teuas keneh, i sawareh deui geus hipoe koe bawaning asak. Tjaoe galek aloes an ditipoengna; mimitina oerang koedoe ngala noe geus kolot, lah noe geus asak enja, toeloej dikeureutan masing aripis, geus oe těroes dipoë; dimana geus garing kakara ditoetoean, dioeng. Boeboer tipoeng tjaoe galek keur boedak aloes pisan.

Tjaoe kepok, ieu oge hade katjida keur boedak. Radjeun e didjarieun pisang-goreng. Bongolna (wortelstok) beunang dike oebar boh ka djělěma boh sato, hawana tlis. Ari tjaina eta ngol, diparoed toeloej dipěrěs, sok dipake tamba awewe anoe agětih djeung tamba tadjam: sok dipake pahinoem deuih tamba reuh kakatjangan dina keur salesma. Sariawan bidjil gětih tina eng hade ditambaan koe tjibongol tea diingsreuk meunang ea sendokeun. Keur tjeutjeuh deuih aloes nakěr, matak gomplok eoek.

Lamoen sanggeus diala boeahna toeloej tangkalna ditoear pisan, galna disesakeun. Oepama dina bagalna oerang njieun liang, silna dirorek, lila² tangtoe eta liang aja tjaian anoe baridjil. [ 61 ]njěrěp tina bagal tea; tah tjai eta oge tjara tjai bongol tea bae, beunang didjieun oebar, ngan hěnteu pati matih.

Tjek bedja, hajam djeung oentjal dj. s. t., lamoen ngarasa manehna mitjeunna aja gětihan, sok toeloej matjokan bongol tjaoe kěpok atawa ngahakan daoenna boh oërna anue maroerag, sarta tjěnah sok tjageur.

Tjaoe kapas aja doea roepa, nja eta aja anoe tjangkangna anggěr hedjo bae něpi ka asak; aja deui anoe geus asakna koneng sěmoe aja poelas bodas. Rasana ieu tjaoe, noe asakna, rada sěmoe-sěmoe haseum.

Tjaoe lampeneng babakoena ngan di Pasoendan bae, dagingna rada teuas; koe oerang Priboemí diasakanana dibeuleum.

Tjaoe saboelan, noe loba mělak tjaoe ieu babakoera ngan deukeut Batawi. Ieu tjaoe leuwih gide manan tjaěe lampeneng! ngan parondok; roepana meh siga tjaoe kapas hedjo. Tjaoena teuas, rasana aja haseuman.

Tjaoe manggala atawa tjaoe koeloetoek. Kana tjaoe koeloetoek teu pati loba noe bareuki, da loba sikian; anoe babakoe kapakena kana oebar, sapěrti oebar sariawan di djěro. Děmi njieunna kieu: oerang koedoe njokot moeroetjoena djeung tjaoe anoe geus asak seroea lobana; moeroetjoena disiksik, toeloej. digalěj djeung tjaoe noe asak tea sing katjida, něpi ka tjaina herang. Sanggeus kitoe dihaděsan 3 atawa 5 siki, bawang beureum sasihoeng djeung poelasari deui saeutik toeloej ditoetoean. Tjaina anoe tadi beunang měrès tea ditjltjikeun kana tjaoe anoe beunang noetoean. Ti dinja toeloej dilboen sapeuting. hadena ngiboenna koedoe ditoeroeban. Isoekna geus beunang diinoem koe noe sariawan tea. Lamoen sariawanana katjida, něpi ka ti koro malopos, eta pakinoem koedoe dibaoeran tjai patie asak.

Borosna lamoen ditjatjag nepi ka lemboet, beunang dipake papak kana raheut, tiis djeung matak běrěsih.

Toeak tjaoe manggala anoo tatjan boeahan atawa taljen djantoengan, sok dipake oebar (uitwendig middel) noe ngadjouroe, sangkan oelah ngagětih.

Poetjoek tjaoe keur anoe moerlang hade pisan, bawana tiis.

Djantoengna sok dipake deungeun sangoe: ditjobek, dikoeloeh, diseupan aja oge anoe dibeuleum dikoeroesoek.

Anak tjaoe manggala sanggeusna dipitjeun bagalna toeloej dibeuleum, beunang dipake nambaan anoe njěri rek babak. Ari nambakeunana: haneut2 dikosokkeun ka noe bareuhna.

c. KAWOENG.

Kawoeng!

Geus moal aja noe bireuk kana kawoeng mah, da meh di [ 62 ]sakoéliahna aja, dapon hawana bae baseuh, toer sakitoe mangpaatna deuih.

Hal njadap oge, tangtoe lolobana anoe maraos ieu alměnak geus aroeninga, nja eta: leungeunna diajoen bari ditinggoer sapoëna + sadjam. Sanggeus meunang sawatara poë ditinggoerna toeloej dipagas; ti dinja lahangna ditandean koe lodong anoe geus bakoe. Eta lahang ditaheur didjieun goela. Soepaja jahangna hěnteu tereh haseum, lodongna koedoe dipoepoet make pantjar hoeroeng dirodjok-rodjokkeun ka djěrona; lamoen eta lodong dikoengkoerahan koe tjikapoer, lahangna dimana digoela, goelana bodas. Goela kawoeng beunang dipake sapěrti pěrgasi. Lamoen goela kawoeng ditjampoer djeung saboen, ditaplokkeun kana lamak bodas, toeloej tengahna diliangan koe goenting, tidinja ditaplokkeun kana bisoel, bisoelna sok tereh asak sarta těroes boetjat.

Tjipanggodogan akar kawoeng beunang dipake tamba gěregěseun; batoena sok rěmoek.

Tjaroeloekna anoe atah keneh, anoe sok diarah tjangkalengna keur roedjak, lamoen antěl kana awak ateul kabina-bina. Soepaja ateulna sawatara leungit, sok didoeroek heula, kakara dipotong ditjarokelan tjangkalengna. Samemehna didjieun kadaharan koedoe dikeueuman heula koe tjibeas, lilana sapeuting. Isoekna eta tjangkaleng geus beunang didjieun manisan, ngan kari njitjian koe godogan tjigoela anoe ngagolak bae. Manisan tjangkaleng sok diparake oge keur tamba salesma ngarah godroh, komo keur ka boedak mah hade pisan, da ari kana oebar-oebaran teh baroedak mah loembrahna sok arěmboengeun. Salian ti didjieun manisan sok dikolěk deuih.

Ari tjangkaleng anoe geus kolot koe oerang Priboemi sok didjieun anting, keur ngaliangan tjeuli baroedak awewe. Mimitina didjieun tjara ali, toeloej dipotong, geus kitoe dina popotonganana diseukeutan. Tjeuli anoe rek diliangan digegel koe eta anting seukeut tea, dina sawatara poè plos baë molongo.

Lahang beunang dipake tjara ragi, sarta hade katjida; lamoen satengah poë boe diingkeun, koe oerang beunang dipake keur ngabeukahan roti. Lahang anoe aloes sarta běrěsih didasarkeun, eta djadi tamba kana ksakit ambe djeung baroesoeh di djěro.

Lamoen lahang koe oerang diwadahan koe gotji, sarta oenggal poë dipoëkeun, sanggeus saboelan lilana djadi tjoeka aloes katjida, diseboetna „tjoeka lahang" atawa „tjoeka djawa", eta tjoeka hade katjida keur njieun atjar.

Salian ti diarah lahangna, kawoeng teh sok diarah sagoena deuih, Ari kawoeng noe sok diarah sagoena, nja eta kawoeng anoe tatjan disadap, dina arek bidjil leungeun pisan ditoear, toeloej dipotong-potong, geus kitoe pek dibeulah didoeakeun, ti dinja toeloej hatena ditoetoe, sanggeus ditoetoe digalěj ditjalan koe tjai anoe [ 63 ]běrěsih sarta herang. Dimana geus asak ngagalējna tēroes disaring koe lamak, ti dinja ditampěrkeun ngarah atjina ka hanap nampěr. Ari geus nampĕr atjina mah, tjaina kari njitjikeun bae. Atji kawoeng anoe běrěsih djeug toehoer ěnja moēna beunang diampihan moelan-moelan. Eta atji kawoeng hidji kadaharan anoe mangpaat katjida djeung babari dilějoerkeunana keo kadoet, koe sabab eta aloes katjida keur noe garěring.

Indjoekna sok didjarieun tambang koeat pisan koe baseuh djeung koe tjai; salian ti dipake tambang sok dipake sapoe deuih, sikat, paranti kekesed dj. s. t. Di pilěmboeran sok diparake oge keur hateup; dipasělangkeun djeung eurih, awet katjida něpi ka aja anoe moeloehan tahoen. Dina ngadegkeun imah, indjoek sok diparake boengkoes tihang ti handapna, mambrih hěnteu koe rinjoeh.

Haroepatna sok didjieun kalam keur noeliskeun aksara Arab.

Ari oerang Europa makena indjoek keur miara pěpělakan anoe araloes, sapěrti: chevelures (bangsa pakoe anoe sok dipělak dina pot), eta pakoe aloes katjida djadina lamoen ti handapna didasaran koe indjoek.

Njere kawoeng leuwih galěde djeung koeat ti batan njere kalapa, sok didjieun sapoe.

Koe oerang peuntas njere kawoeng noe daoenan keneh sok dipake pagěr sawah, njerena ditongtotkeun pandjangna 2—3 d.M disareukeutan, soepaja babi oelah barisaeun asoep ka sawah. Kawasna bae lamoen babi geus tatoe koe njere sok tara tjageur deui, datang ka maranehanana ngarasa sieun koe pagěr daoen kawoeng; ana beh manggih pagěr kitoe teh sok ngoeriling neangan djalan sedjen, atawa sok balik deui, tara wanieun nobros.

Daoen kawoeng (poetjoekna)sok didjieun roko. Di pilěemboeran kawoelna sok dipaeh keur poneker. Roejoengna oge gěde gawena: keur koeloewoeng, tjěmped imah djeung iga leuit; didjieun barera deuih, linjah djeung iteuk.

d. GANAS

Ganas teh babari pisan dipělakna, teu koedoe dioeroes apik-apik teuing; ar aloesna dina taneuh beureum annoe ridoeh, ngan oelah kahieuman. Ganas teh lain ngan saroepa bae, aja pirang-pirang roepa; anoe panghadena anoe sok disareboet danas-Bogor; eta ganas asalna ti Hindia-Koelon, dibawa ka oerang koe toean TEIJSMANN, rasana amis, tapi koerang tjai; pajoe kabina-bina danas-Bogor mah, sararea pada rěsěp, komo eta mah kana danas nambo, anoe dikěbonkeun di Kaliwoengoe; di Bangka oge rea ganas, ganasna di dinja mah loba tjai, koe sabab eta pikeun pioebareun mah danas dinja leuwih kapake. Ari [ 64 ]pětana didjieunna oebar, kieu: dipěsek heula sing běrěsih pisan toeloej ditjatjag atawa diparoed, sanggēus kitoe dipěrěs koe lamak běrěsih. Tjaina aloes katjida pikeun pioebareun, komo keur oebar njěri tikoro mah, njakitoe deui keur oebar tjenang atawa bisoel dina tikoro; beunang oge dipake oebar teu ngareunah beuteung; watěkna tjara pěrgasi, hade dipake oebar ka noe geus kolot lamoen kadoetna geus koerang hade ngagilingna kadaharan; dina saban tas dahar nginoem sasendok-dahar atawa sasendok-sop oge geus meudjeuhna. Lamoen aja anoe sok ngarasa baroenghak dina měntas dahar. koedoe dibibilas koe ganas sakeureut, tapi kade oerat-dagingna kadahar; anoe sok boga kasakit njeri angěn oge hade dahar ganas dina tas dahar. Anoe gěrěgěseun-hampěroe, dina saěntas dahar koedoe nginoem tjiganas sagělas-port.

Ganas boga kasiat ngalějoerkeun; lamoen oerang njokot daging sakeureut, toeloej dikeueum koe tjiganas, liwat satěngah djam eta daging leutaj dikeueum koe tjiganas, liwat satěngah djam eta daging leutaj tara boeboer. Sasanggaleun dina leungeun djeung soekoe lamoen dikoembah koe tjiganas tjadi leuleus; oepama těroes dibiasakeun dikoembah koe tjiganas lila-lila leungit. Keur njeka awak oge tjganas hade pisan. Oerat-oerat noe aja dina daging ganas goreng kana beuteung. Noe reuneuh koerang hade beuki teuing ganas. Ganas anoe beunang ngasakan, sapěrti dikoeloeb djeung sapadana, eta leungit kasiatna keur oebat; koe sabab eta anoe koedoe didjieun oebar ngan ganas anoe tatjan diasakan bae.

Oerat djeung tjangkang ganas aloes katjida keur ngosok marměr soepaja bodasna aloes djeung běrěsih , nja kitoe deui keur ngaběrěsihan bangsa beusi, mitjeunan taihiangna.

Eta tjiganas beunang dimasak koe oerang, pambrihna soepaja beunang diampihan lila.Oerang koedoe milih ganas anoe geus asak běněr, toeloej ditjatjag, ti dinja dipěrěs diarah tjaina, geus kitoe tjaina disaring koe lamak. Eta tjiganas anoe beunang njaring diwadahan koe patiman, sadjěro 8 poē oenggal poē koedoe dipoē. Kokotorna anoe ngaramboel ka loehoer barěng djeung boedah, koedoe disioekan dipitjeunan. Ti dinja eta patiman koedoe diteundeun di noe loeh, oelah rek kapoē, lilana watara 8 poē. Ngaběrěběsna tangtoe eureun. Salila eta patman dioeroes kitoe teu beunang ditoetoep něpi ka rekep pisan, hade ditoeroeban koe ramkawat bae.

Lamoen sanggeus 8 poē tea ngaběrěběsna eureun, eta tjigana koedoe toeloj disaring; ari njaringna koe kěrtas soeoeb 3 lapis ditoempangkeun kana lamak, ditandean koe botol. Tjiganas anoe geus diasakan kitoe, beunang diampihan něpi ka satahoen lilana.

Titjaganas anoe atah keneh, hartina anoe hěnteu diasakan tjara bieu di loehoer, hade pisan keur tamba moeriang. Anoe moerlangna katjida, hade pisan keur tamba moeriang. Anoe moerlangna katjida, hade diinoeman tjiganas dina sapoēna doea gělas; tapi noe gěring, sabot nginoeman tjiganas mah, teu meunang nginoem. [ Gb3 ]

(°) Kiai Bodjongdjamboe, di distrik Leles (Oaroet). leu kiai, noeroet katrangan, geus kolot pisan, leuwih ti 100 taoen.

[ 65 ]soesoe, goreng keur noe gĕring. Anoe boga kasakit goela djeung anoe koerang hade kaboeboeahanana teu meunang dahar ganas, sabab ka lsakit kitoe m ail teu meunang ngambeu tjiganas.

e. GEDANG.

Gĕdang, pangaloes-aloesna djadina, di noe panas, djeung gampang dipiarana, ari rasana amis tiis; komo gĕdang gĕde, matjĕs karasana teh, tapi gĕdang eta mah lain asal pitoein gĕdang oerang.

Gĕdang beunang dipake oebar kana kadoet djeung panjakit dina eusi beuteung; geus loba pisan noe goreng kadoetna djeung noe njĕri beuteung, tjageur koe didaharan gĕdang; nja kitoe deui beunang dipake ngoebaran noe bareuh bool.

Tapi noe boga panjakit dina hampĕroe, oelah bae dahar gĕdang.

Loba teuing dahar gĕdang, sok matak koneas kana koelit beungeut djeung leungeun.

Noe boga panjakit dina kaboeboeahan, samĕntas dahar gĕdang sok ateul. Nja kitoe deui noe boga panjakit exema (roenjam sakoedjoer badan), koedoe mantrangan gĕdang.

Poetjoekna sok dipake oebar moeriang; dĕmi didaharna koedo diangeun atawa diseupan.

Daoenna sok dipake maraban koeda, saminggoe sakali, soepaja oelah njĕri beuteung djeung oelah kĕrĕmian.

Daging noe liat, samemehna dimasak, diboengkoes heula koe daoen gĕdang, noe beunang ngarisĕkkeun meueusan, mambrih daging tea kageu tahan koe geutah anoe baridjil ti noe rikĕsna tea koe akal kieu daging noe Iiat teh djadi oedoeh.

Geutah tangkal gĕdang, lamoen metel kana panon, sok matak bareuh. Oepama kadjadian kitoe, ngabĕresihana koedoe koe tjigoela, sarta satĕroesna koedoe dipeureuhan koe tjigoela tea nĕpi ka tjageurna.

Eta geutah sok dipake ngaleungitkeun koetil djeung ngoebaran kĕrĕmian. Geutah gĕdang ngora, sok dipake oge oebar panjakit diphteritis (panjakit tikoro), ari koelit akarna, beunang dipake oebar kĕrĕmian. Akar gĕ ldang gandoel beunang ngereum dina arah make oejah, matak koeat kana oerat, hade keur ngoebaran noe kataradjang loempoeh djeung beroerte; ari ngoekarkeunana dibaloerken. Kĕmbang gĕdang beunang didahar, ngan rasana pait ngaleungitkeunana pait, koedoe digodog djeung puetjoek koekoedaan. Hade baris dahareun, goenana ngabĕrĕsihkeun kana rĕtih djeung ngahoedang kana ngeunah dahar. Pĕntil gĕdang, bade pisan baris angeuneun, dipake sisihan koe Walanda djeung koe oerang Priboemi. [ 66 ]f. KALAPA.

Sarerea oge sanadjan baroedak leutik, teu aja noe bireuk kana tangkal kalapa. Kalapa teh aja sababaraha roepa, tapi noe rek ditjaritakeun di dieu, woengkoel noe beunang pake oebar bae.

Noe pangheulana pisan tina hal kalapa hedjo. Noe matak diseboet kitoe, lantaran bakatna, sanadjan geus meh asak oge, roepana hedjo bae, ari kalapa² noe sedjen mah roepana koneng atawa gading atawa koneng semoe beureum. Tjikalapa hedjo sok dipake pamĕpĕs, lamoen aja djĕlĕma diratjoen koe w larangan, sakapeung sok ditjampoeran heula koe minjak kalapa. Komo kana andjing dicampur bangsa sato ingoe sedjen mah, hade pisan. Tjikalapa hedjo noe geus kolot, noeloeng ka noe weureu obat tjatjing (santonine vergiftiging). Tjidoewĕgan kalapa hedjo, matih pisan kana ngagétih di djĕro, moerlang djeung hese kiih.

Oerang sarerea geus tarĕrang kana tjipati, nja kitoe deui njieunna, da meh oenggal poĕ dipake ngangeun. Noe boga kasakit dina beuteung djeung noe kadoetna koerang hade, dina oesoem kalodo oelah pati dahar angeun teuing anoe ditjipatian, karasa sok nambahan kana panjakitna. Tjipati kalapa hedjo ana digodog, roepana sĕmoe biroe. Sarerea oge tangtos tĕrang jen minjak kalapa teh, noe didjieun tina tjipati djeung pĕtana njieunna kawas moal aja noe bireuk, da meh oenggal poĕ bae nendjo di dapoer. Eta minjak kalapa, beunang diampihan lila, asal bae dikonengan sateukteuk, atawa oejah sahoentoe boh goela-Djawa sasĕmplek. Lamoen minjak teh tĕngi, ngaleungitkeunana baoe, ditjampoeran koe tjipati noeanjar keneh. toeloej digodog; oepama kaambeu keneh bae tèngina, tjoba² koe roti bari, anoe beunang meuleum, nĕpi ka roti teh roepana hideung. koe akal kieu, baoena minjak teh tangtoe leungit.

Tjipati mindĕng diparake tamba weureu laoek (visch vergiftiging) sarta ĕnja matak tjageur. Diinoemna satoengkoelan doea gelas pinoeh (ditojon). Biroeloekna radjeun oge didjieun zalf, dipake ngoebaran raheut anoe hese tjageurna. Pĕtanan jieun zalf kien:

Biroeloek teh diparoed ditjampoeran tjipati, digodog lilana saparapat djam. Toeloej disaring koe lamak. Ti dinja njokot siki kosambi. kanaga djeung tjampaka beureum, dibĕbĕk sing tepi ka lĕmboet, tjoer tjaian, toeloej digodog. Engke tangtoe minjakna ngambang: ajeuna kakara disioekan minjakna, ditjampoerkeun djeung godoaran biroeloek teh, make minjak moentjang kira² sasendok gĕde, toeloej digodog deui dikolotkeun sing datang kakimpĕl. Tatandinganana dina njieunn zalf teh. siki kosambi bobot 15 kĕtip, siki tjampaka beureum bobot 15 kĕtip, biroeloek bobot 3 roepia, djeung tjipati sabeulah kalapa.

Tjilĕboe mantjoeng (sintoeng) beunang njaring, sok dipake pĕr[ 67 ]gasi. Baralakna (barangbangna) djeung batokna oge aja minjakan, sok dipake oebar njěri hoentoe.

Tangkal kalapa minděng pisan diroeksak koe bangboeng kalapa. babakoena poetjoekna djeung borosna. Tarekah baris ngabasmi eta hama, babakoena pisan tangkal kalapa teh koedoe diběrěsihan djeung toeloej poentjakna dioelasan koe lěboe, oejah djeung tjai beunang ngadoek.

Geus montong ditjaritakeun duei, jen akal kieu teh, kakara aja teolengna, lamoen saměntasna dipětakeun, hěnteu katinggang hoedjan atawa loba iboen. Ari tjitjingna, karěsěpna bangboeng kalapa teh teu beda djeung bangboeng noe sedjen, dina kai noe geus bobo, dangdaoenan anoe geus baroeroek djeung dina kokotor, tapi ngěndogna babakoena sok dina poentjak kalapa sarta měgar di dinja. Eta sababna noe matak oerang, sok diangsěp oebar gěde pisan. Oepama diteundeun dina pantji, teoloej diseuneuan, sok měrědjih bidjilan gadjih, eta sok diinoemkeun ka noe batoek ganngsa (tering); mimitina sadjěro saminggoe oenggal poē hidji oelam, dina minggoe kadoea sapoēna doea oelam djeung satēroesna.

Atawa oelam teh digoreng, diala minjakna, ditjampoerkeun djeung endog atah, pek dimadoean sauetik, toeloej diinoemkeun ka noe gěring. Tjek bedja, koe sataoen teh dioebaran koe eta, noe batoek gangsa, katembong djadi koeat.

g. PALA

Pala teh babakoena dipělakna di Molukken djeung di Minahasa, tapi di Poelo-Djawa oge teu koerang; moenggoehing dina oebar-oebaran bangsa oerang mah, dianggep anoe katjida pěrioena.

Mangpaatna pala teh kana oebar haneut djeung pangrěrěp.

Kěmbang pala beunang moē disědoe, tjara teh, sok dipake kana ngaloearkeun angin.

Komo koeloemoed sikina, aloes pisan keur pangrěrěp. Pikeun noe boga kasakit asabt, hade pisan mamawa koeloemoed pala dina djěreoeun pakeanana, soepaja meunang hawa noe matak antěng ngamběkan.

Tjigodogan koeloemoedpala, hade pisan keur baloer, pangrěrěp kana kasakit panas.

Pala lalakina, bangoenna lonjod, dipake njampoeran roepa-roepa oebar njěri beuteung.

Barendi, pala djeung oejah ditjampoerkeun toeloej dihaneutkeun meueusan, dibaloerkeun kana tonggong, ngaleungitkeun kana loengse djeung lěsoe.

Tjangkang pala sok didjieun sěle, matak ngeunah dahar. Didjieunna kieu: Njokot pala noe geus kolot, dilaanan sikina djeung [ 68 ]Troeloemoedna, toeloej dikoeloeb. Tjaina herang tapi beureum. Lamoen palana geus ěmpoek, toeloej disaring, babadagna dipitjeunan geus kitoe toeloej digodog deui make goela pasir, sing něpi ka kentěl tjara boeboer.

A. SOEPA.

Soepa teh mangroepa-roepa pisan; loba anoe koe oerang beunang didahar sarta katjida ngeunahna. Dina njiarna atawa meulina soepa baris dahareun, koedoe ati-ati, karana rea pisan soepa anoe matak weureu.

Lamoen oerang rek neangan soepa, koedoe Isoek-isoek pisan, sabab loba soepa anoe těngah poë oge geus boeroek.

Tjirina jen geus boeroek, sok diroeboeng koe bangsa rambětoek, Erareunteup. Koe baoena deui oerang bisa njirikeun soepa noe segěr keneh atawa geus rek boeroek.

Ieu di handap noe rek ditjaritakeun soepa anoe sok didahar bae. Soepa taneuh anoe beunang didahar, lobana dina oesoem agiajih, djeung djadina babakoena dina těmpat² oeroet rinjoeh.

Lamoen oerang manggih liang siraroe, pek tjirian koe rokrak atawa naon bae, ditantjebkeun. Moal gagal tangtoe di dinja loba soepa djaradi. Aja soepa diseboetna soepa rampak (djamoer barat), Tamoenna segěr keneh, hade pisan didahar, nja matak koeat, toer rasana ngeunah kabina-bina, sarta beunang diolahkeun roepa².

Oelah bae ngala soepa, anoe djadina dina gemoek atawa di těmpat anoe kasaoengan, leuwih hade ngala ti těgalan atawa ti sampalan.

Salian ti soepa noe djadina di taneuh aja deui noe djadina dina tatangkalan, kajaning soepa gagan noe sok dipake oebar rheumatiek; soepa lember sok dipasak sajoer. Komo soepa noe djaradi dina pipitjeunan tjangkang kopi djeung dina tangkal dadap mah thade pisan baris dainareun djeung ngeunah deuih.

Ari noe sok dipake oebar, soepa brama djeung soepa kakaboe (impěs). Soepa brama roepana semoe djingga djeung teuas, djadina dina tangkal kai, oebar panjakit kotor (venerische ziekten) djeung kasakit dina pangeusi beuteung.

Soepa kakaboe djadina dina taneuh, gědena sagede hoeloe orok. Ti loearna liat, ari ti djěrona empoek, sok ditjampoeran tjoeka, dipake ngoebaran babareuhan dina kalanangan (venerische ziekten).

Aja deui soepa anoe djadina di taneuh, nja eta soepa tai oraj Santja. Ieu soepa roepana kawas tangkalak, pěrbawana tiis.

Koe bangsa oerang mah dipake oebar roepa² pisan, babakoena kana moeriang, kasakit dina beuteung, sariawan d.s.t. [ 69 ]

i. ROEPA² LALAB DJEUNG BOEBOEAHAN ANOE SOK DIPAKE OEBAR-OEBARAN.

Andewi.

Ieu lalab hade katjida pikeun tamba lintoeh teuing, soepaja djadi rada koeroe djeung noe boga kasakit gěrěgěseun-hampěroe (gal-steen). Didahar atah² ditjampoeran tjidjěroek-mipis djeung minjak salada.

Senggang.

Senggang teh roepa-roepa, panghade-hadena senggang moending djeung senggang tjina. Bawana tiis, matak godroh djeung beresih kana kaboeboeahan. Ka noe sok moeriang, senggarg teh hade pisan. Komo ka noe hoedang ngadjoeroe, mangpaat katjida, didjieun angeun herang, make koentji djeung sémi, aloes kiib. Senggang teh matak djoeoeh kana tjisoesoe deuih. Akar senggang beureum dipake oebar mědjen; ari senggang toetjoek kana kasakit koto (venerische ziekten). Daoen senggang tjoetjoek digodog make kajoe manis djeung poelasari, matak godroh. Daoenna dirieus, din ana geus aloes tjara boeboer, pake ngoebaran bisoel batoe (steenpuisten) soepaja tereh asak. Akarna digodog djeung kaldoe dilnoemna make ditjampoeran arak obat, matak djoeoeh kana palangan.

Boeloestroe.

Daoenna djeung boeahna beunang dipake oebar, matak berěsib kana gětih. Anoe boga kasakit koreng, borok djeung sabangsana, koedoe měrěloekeun dahar stoep daoen boeloestroe. Daoeana dirieus sing lemboet oelah ditjaian, di mana geus lemboet pisan dibaloerkeun kana kěkěmpoeng (¹),[1] kana tjangkeng, měpět kana oetah.

Bonteng.

Ieu teh bangsa lalab anoe rea toeloengna, pikeun nebar-nebaran. Dagingna djeung sikina diantjoerkeun dipake baloer kekěmpoeng. matak ngeunah kiih ka noe moeriang. Akarna diinoem matak běrěsih kana kaboe boeahan. Noe boga kasakit dina beuteung djeung noe goreng kadoetna, teu beunang dahar bonteng, nja kitoe deui awewe noe boga kasakit kotor oelah rek panganggoeran dahar bonteng.

Panolak kana kasakit geregeseun-hampěroe, sakali nginoem

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}} [ 70 ]sasendok sop, beuki lila beuki dileuwihan, laoen-laoen, oelah matak kaget teuing kana kadoet.

Dahar bonteng atah hade ka noe sariawan di djěro,

Geutah areujna beunang pake oebar koekoel djeung kokoloteun, Daoen legondi djeung bawang beureum beunang ngarieus sing lěmboet digalo djeung bonteng, dibaloerkeun kana loehoereun tarang baga, dipake oebar kasakit dina kingkiihan.

Djaat.

Ieu teh bangsa katjang, gěde mangpaatna keur ngaběrěsihan gětih. Komo keur noe reuneuh anoe kataradjang koreng atawa dorok lantaran boga kasakit kotor, koedoě dahar djaat masing rosa, ditjampoeran koneng santěn. Tjaina daoen djaat, aloes baris ngaběrěsihan mata noe bareuh; daoenna digelang djeung haděs poelasari něpi ka lěmboet, dipake oebar bisoel.

Tjabe.

Di mana-mana oge aja tjabe sarta meh sarerea tareuki kana tjabe. Ari rasana iada, komo tjengek mah pohara pisan ladana: moen beuki teuing kana bangsa tjabe sok matak boga panjakit ambe, panjakit asabat, babakoena gěde sahwat (toedjoeh ladjěr = hysierie), Anoe boga panjakit rieut, panjakit kaboeboeahan, beukah kawaja utawa bareuh tikoro, njěri panon atawa boga panjakit dina Jasangan, tee beunang pisan dahar tjabe.

Ari daoenna hade keur lalab atawa dipasak sajoer, watěkna tiis.

Lobak.

Lobak didahar atuh, eta ngaběrěsihan djeung matak koeat kana kaboeboeahan. Noe sok moeriang bae, koedoe dahar lobak sing loba, Koeloeb lobak didahar goeroentoelan, oebar matih pisan kana batoek. Komo pikeun baroedak anoe batoek djeung salesma, katjida hadena, dahar lobak atahna, boh koeloebna, Lobak atah dikeureutan, diketjapan, didahar didasarkeun, nja eta didahar samemeh dahar naon² waktoe beuteung kosons keneh, hade ka noe boga kasakit kawaja.

Sasawi lémah (kamandilan).

Kamandilan teh bangsa djoekoet, sok dipake oebar djeungdjeuriheun, matak běrěsih kana kingkiihan, ngoeras kani hampěroe.

Daoenna dirjeus sing lěmboet, dipake baloer noe moeriang. [ 71 ]

Saledri

Saledri teh roepa² dipakena, oebar matih pisan kana intjok, Anoe boga panjakit „eiwit afscheidinse” atawa noe gěde sahwat, oelah loba teuing dahar saledri.

Solasih.

Di mana-mana oge aja sarta sarerea oge tarěrane kana solasih mah; ari bawana měpěr, tiis djeung matak sěgěr kana awak, La moen noe sok moeriang bae, hade nginoem make boekoer siki solasih.

Dahan solasih dibeuleum, lěboena ditjaian, toeloej disaring, aloes pikeun ngoembah raheut. Siki solasih dikeueuman koe tjinsak-tiis,: oelah ditjampoeran naon², toeloej diinoem, hade pisan kana kasikit dina pangeusi beuteung djeung mitjeun oemběl, sarta djadi paměpěr deuih.

Goela-tiwoe.

Goela-tiwoe teh hade pisan didahar koe boedak, ngoeatkeun kana toelang djeung anggahota lian. Sirop goela tiwoe, matak lirtoeh, nja kitoe deul kana sato. Ngan kana koeda koerang hadena, karana moen diinoeman ota, loba teuing kaloear kesang, koe lantaran eta, sok babari mopo. Tjigoelana, oebar kana njěri mata.

Tjitiwoe ka noe batoek teu hade pisan.

Terong.

Terong teh di mana-mana dipake kasěděp, komo di amběl-godog mah. Noe boga panjakit dina peudjit boentoe (blindedarm) djeung dina bool, teu beunang dahar ieu. Sakaol njěboetkeun, jen rea teuing dahar terong atah teh, sok matak boga panjakit lieur djeung matak koerang koeat toelang.

Wortel.

Didahar atahna, oebar kana tjatjingeun djeung kěrěirian, komo ka baroedak mah. Moen bisa, sina didahar atahna.

Ngarah gampang, wortel teh diparoed toeloej, dipěněs; geus kitoe tjampoeran tjipati, oejahan saeutik, ti dinja diinoemkeun ka boedak tea.

Djamboe.

Tilsodogan daoen djeung rapagan djamboe, dipake oebar kana [ 72 ]chronische diarrlica (chronische dysentrie) nja eta mědjěn; noe panghadena keur oebar kitoe teh, djamboe koeloetuek noe beureum dagingna. Tjigodoganana oelah kentěl teuing.

Saha-saha noe hese mitjeun, oelah bae dahar djamboe.

Doekoeh.

Doekoeh teh matak sirep kana beuteung djeung ngeunah kiih. Sikina rasana pait, sanggeus diběběk toeloej digodog, eta hade dipake oebar moeriang. Noe boga panjakit goela, oelah dahar doekoeh. Tjangkangna dipoë, toeloej dipoeroeloekan goela kawoeng, geus kitoe dibeuleum, haseupna katjida seungitna djeung djadi oebar reungit deuih.

Djoewět atawa djamblang.

Sagala roepa djoewět, beunang pake oebar, komo djoewět bodas mah. Loba teuing dahar djoewět, ngoerangan kana kasehatan, karana ngahoedang kana moeriang djeung hese kiih. Kěmbangna, komo sikina, hade pisan keur oebar kasakit goela; ari godogan papagan djeung poetjoekna, dipake oebar njěri beuteung.

Dalima.

Godogan akar dalima bodas (noe kembangna bodas) dipake oebar tjatjing pita. Tapi lantaran akar dalima teh matak weureu, djadi oerang koedoe ati pisan, poma oelah rek loba teuing. Godogan tjangkangna djeung kembangna noe masih koedoe, dipake oebar kasakit dina beuteung; dalima beureum (noe beureum kembangna) oge nja tjara dalima bodas deui beunang dipake oebar, tjara noe bieu.

Manggoe.

Loba teuing dahar manggoe, goreng kana pangeusi beuteung. Tjangkang manggoe djeung aja tjampoeranana deui, sok dipake ngoebaran panjakit kotor. Godogan tjangkangna djeung godogan papaganana, pangampět kana moeroes. Tjangkangna dipoë, dimana geus garing pisan dibeuleum, arengna diběběk sing lemboet, toeloej ditjampoeran koe kapoerbaroes, djadi poejěr paranti ngosok hoentoe anoe hade pisan. Tjai tjangkang manggoe noe asak, aloes pikeun mangsi merék. Oelah bae dahar manggoe djeung goela, sabab matak moeroes djeung moelěs. [ 73 ]

Salak.

Anoe boga kasakit dina beuteung dina bool atawa ambe, nja kitoe deui noe boga kasakit dina tikoro, oelah bae dahar salak. Kawoewoeh salak hese lemboetna dina beuteung. Siki salak anoe kakara mělěntoeng rek djadi tangkal, kakara katembong hedjo saeutik, didaharkeun ka boedak noe boga kasakit nongtot bool. Rasana meh saroea djeung boetoeh.

Sawo manila.

Noe boga kasakit dina beuteung djeung ambe, oelah bae dahar sawo manila.\ Noe njeri beuteung pajah pisan, datang ka geus euweuh taksiran deui, sok dioebaran koe geutah tangkal sawo manila. Dipakena koe oerang Priboemi lamoen ka noe njěri beuteung ngějěr, boeboeang teu beunang ditahan. Papaganana beunang moë, dipkae oebar moeriang. Loba oge djělěma noe teu pajaan, lamoen dahar sawo manila sok kaběběng. Sakaol njěboetkeun, jen sawo manila teh teu hade katjida ka noe boga panjakit gěrégěseun.

j. ROEPA² KASAKIT ANOE SOK TJAGEUR KOE DANGDAOENAN DJEUNG AKAR-AKARAN HINDIA.

Bisoel.

Oerang sok radjeun ngarasa aja anoe njeri dina awak, tapi teu njaho naon eta noe njeri teh. Bisa djadi soegan rek bisoel, atawa pateuh tea, tidjalikeuh, bisoel-beunjeur djeung sapapadana Lamoen oerang ngarasa aja noe njeri² kitoe, eta biasana sok dibaloer koe geutah sambodja atawa koe geutah lame. Sanggeus meunang sapoë-sapeuting eta geutah dikoembah koe tjihaneut-koekoe ditjampoeran minjak. Lamoen anoe djadi lantaran njeri 1eh bisoel, sanggeusna geutah tea dikoembah sok katembong sarta tetela ngělěměng beureum, malah sok něpi ka katjiri reana.

Bisoel panghadena koedoe disina asak, mambrih matana beunang. Ari padikahna malar bisoel tereh asak anse sok didjaralankeun koe bangsa oerang, leu:

  1. Daoen solasih dibeuleum diarah leboena, toeloej digalo djeung minjak.
  2. Kembang tělĕng dirieus něpi ka lemboet ditjampoer djeung goela-djawa,
  3. Saboen-seuseuh noe koneng djeung goela-djawa ditjampoer didjieun pelester, ditaplokkeun heula kana lamak, těnggah-tenggahna dipolongoan keur djalan mata bisoel tea. [ 74 ]Tjarenang soengoet, sok tjageur dikěkémoean koe seureuh atawa daoen saeh anoe disědoeh tjara Anteh; daoen parasman oge dibeuweung, aja toeloengna. Salian ti eta anoe aja toeloengną minjak tangkawang haneut-koekoe dibaloerkeun.

Mĕngi.

  1. Njokot siroeng randoe, toedjoeh; toeloej dipekprek meueusan, dioejahan saeutik, těroes dipěrès diarah tjaina. Meunang tiloe poë lilana, oenggal isoek eta tjirandoe koedoe didasarkeun.
  2. Lamoen měngina keur karasa, soepaja rada hampang, oelah eungap teuing: koedoe njokot kěrtas Tjina anoe didjieunna koe awi, toeloej ditjěloeb kana sendawa beunang ninjoeh; ti dinja těroes ditoehoerkeun deui; di mana geus toehoer téroes didoeroek, haseupna koedoe diseuseup koe noe gěring.
  3. Oedoed poetjoek tandjoeng beunang njiksik, eta oge matak hampang; daoen koetjoeboeng woeloeng deuih, lamoen dioedoed matak lalega kana amběkan.
  4. Oepama pangna měngi teh lantaran rendjagan, eta sok bisa tjageur deui lamoen isoek² ngadasarkeun tjai daoen antanan sarta dida'imkeun saboelan sakali. Ari njieunna kieu: daoen antanan diběběk make ditjaian sagělas leutik, toeloej disaring.

Dipatjok oraj djeung sapapadana.

  1. Ngala daoen sandilata doea-tiloe keupeul, toeloej dirieus make ditjalan saeutik. Ti dinja toeloej dioebarkeun kana tatoena tapak matjok atawa ka noe bareuhna. Hade oge tjaina sagělas leutik diinoem.
  2. Geutah waloeh dibaloerkeun ka noe bareuhna.
  3. Daoen katoembal (kihoeoet) ditjaian digelang sing nepi ka lēmboet, toeloej dioebarkeun kana tatoena, eta oge sok aja toeloengna.
  4. Daoen reundeu digelang něpi ka adoej, toeloej dibaloerkeun kana tatoena atawa ka noe bareuhna.
  5. Aja deui tarekah anoe hade kabina-bina, nja eta saloehoereun tatoena dibeungkeut masing tarik, ti dinja lebah tapak matjok tea diraheutan bangoenna tjara tjakra, tapi pesona anoe dipake noerih tea, koedoe běrěsih pisan; sanggeus ditjakra kitoe koe peso, toeloej dipěntjet atawa diseuseup, mambrih kaloear gětihna, sarta těroes dikoembah kos ammonia. Tapi poma masing ati², lamoen oerang raheut dina biwir atawa dina soengoet, oelah pisan wan ngenjot tatoe koe oraj tea.
  6. Pikeun oebar diseureud langgir, poetjoek palasa dirleus sing lemboet.
  7. Oebar diseureud babakaoer, noe biasa sok koe kěluj hajam. [ 75 ]Oerang njokot boeloe hajam, toeloj digorokkeun; eta boeloe hajam těroes dioesapkeun kana tatoena. Moal lila oge njěrina leungit.

Koe seuneu.

Oebar anoe matih kana kasoendoet, geutah gedang. Lamoen ngoebarkeunana harita keneh, Moal něpi ka kěmboeng atawa njëri. Tapi koedoe ati² bisi kana panon. Lamoen euweuh gědang, hade dioebaran koe apoe seupah djeung minjak lěndah.

Gondongeun.

Oebar gondongeun aja tiloe roepa anoe bakoe:

  1. Poetjoek tjalingtjing-woeiét sapoeloeh ranggeuj, bawang beureum opat sihoeng, digelang masing lemboet; toeloej dioebarkeun ka noe bareuhna.
  2. Boelao sasiki djeung tjoeka dioebarkeun ka noe bareuhna.
  3. Beuti bakoeng diparoed 'sing lemboet, dlwadahan koe Jamak, ditaplokkeun di noe bareuh tea.

Ngising-gětih djeung mentjret.

Domdoman ½ pond (bobot roepia 25), hadés 20 siki, poetasari sagede tjinggir, kajoemanis sakitoe deui, saroea djeung poelasari tea; tjaina 4 botol. Toeloej digodog něpi ka tjaina kari 3 botoleun deui. Oenggal ngarasa hanaang koedoe nginoem eta. Ari dahar koedoe sangoe tim bae djeung laoek hajam anoe koeroe.

Kasoera.

Oerang Priboemi lamoen kasoera soekoena, biasana sok dioebaran koe geutah tikelbaloeng; mindeng pisan tjoetjoekna sok bidjil koe maneh. Ngan poma masing ati² bisi eta geutah kana panon.

Kesang-meuting djeung sabangsana.

Eta kaasoep kana panjakit koelit keneh, babakoena ajana dina oesoem ngidjih; ari roepana barentoes sarta rasana ateul. Démi oebarna:

  1. Bangkoeang ditjampoer djeung warirang saroea lobana, didjieun baloer. Ari pahinoemna těmoe-lawak, asem djeung goela kawoeng; těmoe lawakna sahoeloe, asem sagěde endog, goela sumeujeuhnana bae, tjaina sabotol limoenade: toeloej digodog něpi ka tjaina kari satengahna deui. Ari ngoejoepna henteu koedoe dianggérkeun waktoena, darapon daek bae, dina sakalina saregot. [ 76 ]
  2. Dikoembah koe godogan daoen asem djeung daoen sẽmboeng haneut-koekoe.

Hileudeun.

Oebarna:

  1. Daoen patjar koekoe dirieus djeung gambir, masing lemboet,toeloej ditaplokkeun. Oenggal 12 djam diganti.
  2. Tjangkang katjang-boentjis beureum anoe geus asak, dibeuleum diarah lěboena; toeloej ditinjoeh koe tjiasak; panas dioebarkeun.

Intjok.

Anoe babakoe koedoe daek mantangan: iwoeng djeung kelor; bangsa daging sabeunang-beunang oelah loba², saeutik bae, djeung oelah sok nginoem tjikalapa.

  1. Baloerna koe daoen tjikaltoelang diběběk djeung apoe seupah.
  2. Lamoen pangna njarěri dina sandi teh lantaran moeriang atawa malaria, oebarna koe těmoe-lawak djeung daoen měměniran disědoeh tjara enteh, diinoem.
  3. Dina rek sare koedoe dibaloer koe godogan akar gědang-gandoel, oejah djeung arak. Ari njieunna kieu: Koedoe njokot botol-anggoer, toeloej eusian běběkan akar gědang-gandoel tea anoe lëmboet, sing pinoeh satengahna; oejah sasendok-dahar, kajoepoetih doea sendok-dahar, tjoer tjitjian arak sing něpi ka pinoehna; geus kitoe eta botol toeloej ditjotjokan koe kajoe-gaboes sing rekep pisan; ti dinja dipoë meunang sapoeloeh poë lilana. Kakara hade dioebarkeun.
  4. Pěděs 100 siki, tjengkeh 50, pala 5 djeung daoen balingbing 100 lambar; eta kabeh dirieus masing lemboet; toeloej tjitjian tjoeka lahang ½ botol limoenadě; geus kitoe těroes digodog. Haneut² dibaloerkeun 2 à 3 kali sapoëna. Saban 'tas dibaloer koedoe diingkeun lilana sadjam. Ari ngaberesihanana deui (mitjeunna) koedoe koe tjihaneut.

Batoek.

Batoek aja roepa, lantaranana beda², oebarna oge sedjen². Ari anoe sok diparake ieu:

  1. Dina arek sare djeung dina barang hoedang, dahar roedjak letahboehaja sasendok gede, goelana koe sirop. Ari boedak mah sasendok teh oge meudjeuhna.
  2. Lamoen batoek ngohkoj, oebarna koe poetjoek waroe digodog make goela batoe. Di mana keur karasa, ngohkoj. koedoe nginoem salĕgoek. [ 77 ]
  3. Koekoek-djantoeng (ti djěrona), haděs doea-tiloe siki djeung goela batoe digodog něpi ka djadi tjara sirop, tapi oelah make tjai.

Diinoemkeun ka noe gěring sapoë doea-tiloe kali, sakalina sasendok.

  1. Widara-oepas diparoed djeung tjigoela-batoe, disaring koe lamak běrěsih. Diinoemkeun ka noe gěring, sapoëna doea-tiloe kali, sakalina sasendok teh.
  2. Daoen djintén atawa daoen djoekoet-borang digodog djeung kajoe-manis, katoentjar make goela-batoe.
  3. Patje asak 3 hoeloe dipěrěs, toeloej dibaoeran tjigoela kawoeng atawa tjigoela batoe. Eta keur sapoëeun.
  4. Kalapa hedjo dipěsek masing hade, oelah nepi ka batokna kakadek; geus běrěsih téroes dibor, tidinja toeloej diasoepan goela-batoe. Geus kitoe liangna tjotjokan deui koe kajoe-gaboes sing rekep pisan; těroes diboeboej něpi ka asak. Tjaina koedoe didasarkeun.
  5. Batoek teuas tambana koe lobak; keur boedak 4. keur kolot 8. Eta lobak koedoe diparoed, toeloej digoelaan koe goela-batoe; geus kitoe diiboen sapeuting. Isoekna disaring koe lamak, těroes sina didasarkeun koe noe gering.
  6. Aja deui batoek teuas tambana: tjikoer dirieus, toeloej dipěrěs, ditambakeun sapoë sakali; boedak sakalina sasendok teh, kolot sasendok gěde. Biasana heuleut doea-tiloe poë oge geus aja karasana.
  7. Saroepa deui:

Daoen antanan sakeupeul, kajoemanis, goela-batoe, tjaina sing meudjeuhna; toeloej digodog. Oenggal isoek didasarkeun.

  1. Tamba batoek-bangkong:

Njokot djěroek kingkit anoe geus rek asak 7. diarah sikina, goela batoe tjaina sagělas bier (satengah botol limoenade), toeloej digodogkeun, něpi ka tjaina kari ¾ na deui; eta koedoe diinoemkeun ka noe gěring masing rada mindeng, sakalina nginoem sagělas-pait.

Rieut.

  1. Daoen gandarasa djeung pěděs bodas diběběk masing lemboet, toeloej tjoekaan; dioebarkeunana kana tarang. Matihna pisan leu oebar teh, lamoen rieutna lantaran salesma.
  2. Daoen poksor 2 lambar digatjěl lalaoenan něpi ka leuleus, dioelasan koe minjak, toeloej dileumpeuh; geus kitoe ditapělkeun satoekangeun tjeuli kentja-katoehoe dina lebah oerat gede, tapi oelah lila², kira² 2 à 3 minoet bae. Sabab lamoen lila teuing mah sok kěmboeng.
  3. Njokot djahe salondjor, toengtoengna dipekprek sing něpi ka réměk tjara sikat. Toeloej diantjlomkeun kona minjak kajoe-poetih atawa minjak kolonjě; těroes dipake ngagosok oerat poendoek djeung oerat beuheung. [ 78 ]
  4. Djeroek nipis asak, tjangkangna ditjotjogan koe garpoeh atawa koe djaroem, tapi oelah katjotjog dagingna (djěroekna), toeloej digosok-gosokkeun kana oerat poendoek djeung oerat beuheung.
  5. Njokot koeměli toeloej disiksik ka pandjangna (sing parandjang), toeloej dipake poepoek, diantěp něpi ka moerag koe maneli.

Radang.

Oebar radang:

  1. Ngala sadagori daoenna katoet dahanna, diběběk masing lemboet djeung minjak kalapa, dioebarkeun kana radang tea atawa boedoeg. Bohakna diketjeran koe godoganana.
  2. Radang kasakit kotor koe oerang Priboemi dioebaranana koe: dahan baratawali bobot 5 roepia (50 gram), tjaina 2 liter = 4 botol limoenadě, toeloej digodog něpi ka tjafna kari satengah botol limoenadě deui. Eta godogan dipake ngoembah radang tea. Lian ti eta koedoe beuki kana měměniran disědoeh didjieun teh, sarta dina saminggoe doea-tiloe kali koedoe ngimoen godogan baratawali. Ari pětana ngagodogna kieu: oerang njokot baratawali sadahan noe leutik, pandjangna saroea djeung tjoeroek, tjaina sabotol limoenadě; digodogna něpi ka tjaina kan satengah botol deui.

Njeri hoentoe.

  1. Hoentoe anoe njeri dioebaran koe geutah djarak pager, tangtoe eta hoentoe marekplekan. Koe sabab eta ngoebarkeunana koedoe ati pisan, bisi keun kana hoentoe anoe teu njeri, tangtoe eta hoentoe marekplekan.
  2. Geutah badori (bobokoan), noe loba di leuweung, komo di basisir; eta oge matak marekplekan djeung matak moerag kana hoentoe.
  3. Geutah sambudju, ela age tjara geutah djarak bac, hade keur oebar njeri hoentoe.
  4. Boeah djotang. eta oge beunang dipake tamba njeri hoentoe. Pětana ngoebarkeunana, boeahna dibeuweung toeloej diheungheum, Kana hoentoe noe teu njeri taja matakna kitoe-kieu.

Moeriang.

Oebar moeriang anoe pangmatihna, teu aja deui lian ti pelkina. Lamoen euweuh kína, oerang Priboemi sok make ieu: [ 79 ]

  1. Lamoen katjida panasna dipoepoekan daoen parah-lima (¹)[2]. Dirieus masing lemboet toeloej dikana-goeritakeun direke poepoek beuteung. Hade oge anoe gěring diseka koe leuhangna.
  2. Daoen antanan sakeupeul, bawang beureum sasihoeng, hadés djeung poelasari saeutik, tjaina tiloe tjatjangkir; toeloej digodog něpi ka kari satjangkir deui Diinoemkeun ka noe güring. Biasan sanggeus tiloe kali nginoem oge moeriangna sok leungit; tapi koedoe ditěroeskeun nepi ka 14 poë, sarta oebarna koedoe njieun oenggal poë.
  3. Dahan kendal anoe ngora keneh katoet daoenna, daoen heběsaran 5 lambar, tjaina sabotol limoenadě, digodog něpi ka ngan kari satengahna deui. Diinoemkeun ka noe gěring.
  4. Moeriang anoe teu daekeun tjageur², oebarna: papagan soeren sabeungkeut leutik (kira² roebak 7 c.M., pandjang 10 c.M.), tjaina 6 tjatjangkir, digolog nepi ka ngan kari satengahna deui. Sapoëna koedoe nginoem tiloe kali satjatjangkir, něpi ka 7 poë.
  5. Lumoen boedak moeriang, ěmena djeung moemoentjanganana koedoe digěnder koe lamak beunang njěloeb kana: daoen inggoe benang ngagelang djeung bawang 2 sihoeng, tjoeka djeung tjai. Kompresna koedoe mindeng diganti, sarta sirahna koedoe baseuh bae.
  6. Boh kolot boh boedak, lamoen mindeng kataradjang moeriang. koedoe beuki kana lobak didjieun lalah; biasana panasna sok toloej sirép. Boedak anoe moeriang sok diseka koe tjai saroeni digelang.
  7. Lamoen dina moeriang nahoen panasna katjida, diosbaranana koe ledjet dipěrěs, diinoemkeun; ari ledietna (dagingna) dioebarkeun kana tarang jeung benteung.
  8. Daoen dadup dirieus, likopjokkenn kana tarang djeung kana beuteung sahandapeun boedjal.

Beukah ka waja.

Oebar beukah kawaja koedoe nginoem těmoe-lawak didjieun enteh. Ari njieunna kieu: mimiti eta těmoe-lawak koedoe dipěsek: heula mangka běrěsih, toeloej dikeureutan 'sing aripis, těroes dipoë. Sanggeus toehoer běněr, oerang njoket sakeupeul. teroes disědoeh tjara enteh.

Dahar gedang. nginoem tjai patje asak sapoe tilor, eta djadi tamba kana beukah kawaja; lamoen katjida kasakitna, sapoëna lima.

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <--

-->}} [ 80 ]

Solatri.

Oebar solatri:

  1. Djahe dipěrěs diarah tjaina. Diinoem sasendok teh make dioejaban saeutik.
  2. Pala diparoed masing lemboet, dibaheum djeung oejah saeutik, toeloej dipalidkeun koe tjai sarēgot.

Ieu oebar sallanna keur kana solatri, beunang dipake tamba kana oetah-oetahan deuih; sok toeloej bae eureun.

  1. Semboeng katoet akarna digodog djeung goela batoe, dipalaan ½ sendok teh. Diinoemkeun.
  2. Tjiganas oge tamba matih nakër, nginoemna teu meunang loba², koedoe saeutik bae.

Malaria.

Oebar-anoe pang matihna kana malaria taja batan pel-kina. Tapi oerang Priboemi mah, lantaran arang langka pisan anoe baroga pel-kina, sok dioebaran koe ieu:

  1. Měměniran djeung akar-akarna 5, těmoe-lawak 4 à 5 keureut, tjengkeh 3 djeung kajoemanis kira² doea boekoe tjoeroek pandjangna; tjaina satengah botol limoenadě; digodoh něpi ka tinggal satengahna deui. Diinoem. Nginoemna sapoè sakali. Njieunna oebar: inoemeun poë teu koedoe kamari pasosore. Djadi inoemeun isoekan teh koedoe didjieun poë ieu pasosore. Sanadjan moeriangna geus teu karasa, hade dítěroeskeun bae nginoeman eta oebar oenggal poë. Oepama noe gěring teh ka-tjaina teu angger deuih, ratjikanana koedoe dikalěmbaan doea boekoe tjoeroek pandjangna.
  2. Papagan lame ditjatjag sing lemboet; njokot doea sendok teh, tjaina sagělas, toeloej digodog něpi ka ngan kari satengahna, Diinoemkeun ka noe gěring disakalikeun. Koedoe dida'imkeun oenggal poë. Tapi lamoen teu tjageur bae, koedoe nginoem sapoë doea kali. Sabot keur dipahinoem koe papagan lame, oelah arek dahar bangsa lada² atawa haseum.
  3. Daoen kendal 3 lambar, daoen sèmboeng 3 lambar, daoen djěroek mipis 3 lambar, daoen parasman 5 lambar, tjaina sabotol limoenadě; digodog něpí ka ngan kari satengahna deui. Dina sapoë koedoe nginoem doea kali.
  4. Poetjoek gedang 2 atawa 3 lambar (gedang naon bae, boh gedang biasa boh gědang gandoel, saroea bae); tjaina sabotol limoenadě; digodog něpi ka ngan kari satengahna deui. Diinoemkeunana ka noe gěring koedoe ti beurang, sarta těroes sadjěro 14 poë.

Beunang oge eta poetjoek gědang satikna diběběk djeung oejah [ 81 ]něpi ka lěmboet. Lamoen kitoe didjieunna oebar, anoe gering oedoe nginoem 2 gělas pait sapoena.

5. Loba anoe malaria tjageur deui koe nginoem daoen semboeng diseědoeh tjara enteh. Mandi koe saabna haneut, eta oge hade katjida keur ka noe malaria. Ari pětana njieun saabna kieu: ngala daoen semboeng něpi ka bobot roepia 50 atawa ringgit 20, tjaina ¾ blek minjak-tanah; toeloej digodog nepi ka ngan kari saténgahna deui. Noe gering disina dioek dina korsi; blek anoe dieusi godogan sămboeng anoe panas ten teundeun handapeun korsi; toeloej noe gering katoet korsina dikoeroedoengan koe simboet; lilana kira² meunang 8 něpi ka 10 minoet. Geus kitoe toeloej diseka koe tji haneut sarta sanggeus diseka disimboet masing boeni. Peupeudjeuli mangka 'de noe gêring tea katilsan (¹).

Njeri tjeuli.

Tamba njeri tjeuli anoe ilahar didjalankeun aja tiloe roepa:

  1. Boeah koetjoeboeng, toeloej dikorek tapi oelah djěro²; eusina dilemboetkeun meueusan, tjoer tjitjian minjak lendah saeutik. těroes eta koetjoeboeng diganggang saloehoereun lampoe atawa saloehoereun seuneu něpi ka minjak kalapa ten panas Sanggeus kitoe eta minjak disaring, téroes dikětjlakkeun kana tjeuli anoe njeri tea; ti dinja toeloej eta tjeuli ditjotjokan koe kapus.
  2. Siki kapas-banggala ditoetoean djeung tjikoer doen boekoer nëpi ka lemboet; njokot daoen djawerkotok 13 lambar, dirieus, toeleaj dipěrés dikoetjoerkeun kana běběkan siki kapas tea; tja'an sagělas. Toeloej digodog diarah minjukna. Samemeh ditambakeun eta minjak koedoe disaring heula.
  3. Daoen koeping-matjan diběběk, téroes disaring. Beunang njaring diketjlakkeun kana tjeuli.

Hapoer.

Hapoer beusi.

  1. Njokot ladja, toengtoengna dinekprek něpi ka rěměk tjara sikat; toeloej diantjlomkeun kana tjoeka; geus kitoe digosokkeun masing tarik kana hapoer tea. Lamoen ngagosokkeunana henteu tarik ěnja, eta oebar taja pedahna.

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}} (¹) Aja deui oebar anos matih pisan kana malaria, nja eta godogan daoen ljoear. Ari njieunna kiou: oerang ngala daoen diocar anoe ngora keneh, tapi lain poetjookna, lobana sakeupeul, tjaina ½ botol linioenado. Tuoloej digodog nëpi ka ngan kari satengahna deui. Eta keur saposeun², diinoemina 3 kali. Ngarah oolah pait touing, hade make goela batoo sameudjouhnana. Oenggal po koedoe ngagodog saposeun², poma oelah rek diisoekkeun. Koedoe turces nepi ka tjagour didaimkeun. Poeradiredja. [ 82 ]

  1. Akar tarebak dikeueum dina tjoeka anoe ngagolak, toeloej dipake ngagosok hapoer tea.

Hapoer kembang.

  1. Oebar hapoer kembang koe daoen katepeng-tjina dirieus masing lemboet djeung apoe. Dibaloerkeunana sapoë doea kali.
  2. Terong tjokrom dibeulah, toeloej dipake ngagosok noe hapoer tea. Ngagosokna koedoe mindeng sarta koedoe diantěp sina něpi ka toehoerna.

Patek.

Akar kangkoeng 5 diběběk djeung oejah, make tjai. Sanggeus disaring kakara dioebarkeun. Mimitina siga beuki katjida, sabab bohakna ngagarědean. Sakoer anoe barohak koedoe ditambaan hidji², oelah disakalikeun. Ari oebarna: toeroesi dibeuleum, toeloej ditoetoean (dirieus) masing lemboet; beunang noetoean ditjampoerkeun djeung kastroli didjieun salěp (zalf). Eta salep dioelaskeun ka noe bohak tea. Tapi samemehna dioelasan koe salep koedoe dikoembah heula mangka běrěsih. Ari dikoembahna eta noe barohak teh koedoe koe godogan akar tanggoli. Dimana geus dioebaran koe salep, koedoe ditoempangan deui dioelasan geutah lame. Oepama euweuh lame, hade koe geutah kondang. Anoe patek teu meunang dahar hoerang, tarasi djeung kadaharan anoe bawana panas. Hade pisan daek dahar kangkoeng, asēm, djěroek-mipis djeung gědang.

Koeris.

Pikeun nambaan, soepaja oelah něpí ka tjatjar di djěro, oerang Príboemi sok koe ieu: ngala mangandeuh sadahan noe leutik bae. diběběk djeung haděs 2 siki, palasari saeutik djeung bawang beureum noe leutik bae. tjaina sagělas leutik (milih loemoer anoe pangleutikna pisan), dimadoean sasendok teh. Diinoemkeun ka noe gering sapoe sakali.

Rheumatiek.

Anoe rheumatiek oelah dahar kelor, bangsa arak djeung sabeunang-beunang dahar bangsa daging koedoe saeutik bae. Boeboeahan, tjaraning djéroek-nipis hade pisan kana rheumatiek. Ari oebarna:

  1. Daoen handaroesa, pěděs dirieus djeung apoe sing lěmboet. dioebarkeun ka noe njëri.
  2. Daoen tjalingtjing bobot roepia sapoeloeh (100 gram), tjèngkeh 10, pěděs 15 siki, make tjoeka saeutik, dirieus sing lemboet, dioebarkeun ka noe njèri tea.
  3. Saledri 2 katoet beutina, disědoeh tjara enteh; saban poë [ 83 ]diinoemkeun 2 à 3 tjatjangkir, něpi ka saboelan lilana. Baloerna: daoen koetjoeboeng-woeloeng 2—3 lambar, apoe-seupah saeutik djeung djěroek-mipis dirieus masing lemboet. Dibaloerkeun sapoë doea kali; diběběran koe daoen bakoeng-bodas beunang ngaleumpeuh.
  1. Daoen djoekoet-singkir sasendok, daoen měměniran sasendok gěde, tjaina satengah botol limoenadě, digodog něpi ka ngan kait ¾ na deui. Diinoemkeun.
  2. Daoen papasan, apoe saeutik dirieus mangka lemboet, kětjlakan kajoe-poetih. Digosokkeun ka noe njeri tea sing tělěb.
  3. Papagan tandjoeng pandjangna sasikoe, dipoë, beunang moë ditjatjag mangka lemboet; oejahan sakeupeul, tjitjian arak saKopi. Sanggeus kitoe dipoě 3-4 poë. Dioebarkeun ka noe njeri ten.

Koerap.

Koerap babari pisan tepa. Ari oebarna anoe matih. daoen katepeng dirieus sing lemboet djeung apoe, digosokkeun sapoë doen kali. Biasana heuleut 36 djam oge sok tjageur koe ieu mah.

Boedoeg.

  1. Papagan mindi dibeuleum heula, toeloej digodog. Eta tjipang-godogan keur ngoembahna, ari oebarna daoenna (mindi) beunang ngarieus něpi ka lěmboet.
  2. Daoen kloerat 5 lambar djeung daoen sandilata 7 lambar, tjaina 2 gělas. Digodog něpi ka kari sagělas deui. Eta diinoem.
  3. Koneng-hideung salodjor, diběběk masing lemboet: toeloej make minjak kalapa; dioebarkeun. Pabinoemna godogan koneng-hideung keneh salodjor; oenggal poë koedoe angger.
  4. Daoen kloerat dirieus sing lemboet djeung apoe; dibaloerkeun tjara salěp.

Batoek gangsa.

  1. Daoen waroe-laoet digelang make tjai, sanggeus disaring di Inoemkeun ka noe gěring.
  2. Daoen antanan digelang atawa didjieun teh, diinoemkeun.
  3. Daoen lagondi digodog djeung tjikoer, koneng salodjor djeung goela batoe sameudjeuhnana. Diinoemna sapoë doen kali.
  4. Ari kolot marakena: geutah gebang ditinjoeh koe tjiasak sing něpi ka lějoer.

Raheut.

  1. Oebar raheut anoe matih: daoen djawerkotok djung daoen [ 84 ]kloerat. Samemehna dipake koedoe dikoembah heuia sing běrěsih pisan, toeloej digoeloeng-goeloeng koe ramo, mambrih kaloear tjajna. Sanggeus kitoe toeloej ditaplokkeun kana raheut tea. Dina sapoë koedoe diganti tiloe kali.
  1. Ari raheut anoe teu djero hade dioebaran koe widara-oepas. Samemehna dioebaran, raheutna koedoe dikoembah heula sing běrěsih koe godogan patje sawit, hartina: patje, papagan djeung akarna tina tjangkoedoe satangkal. Sanggeus kitoe raheutna ditoetoep koe widara oepas beunang ngeureut ipis. Lamoen raheutna: djero, hade dioebaran koe ieu: njokot akar tanggoli bobot roepia 20 à 30, tjai sablek minjak tanah, toeloej digodog něpi ka kari ¾ na deui. Raheutna dikoembah koe eta godogan, sarta diketjeran deuih.
  2. Daoen bebesaran dileumpeuh, toeloej dioelasan minjak kalapa, digoeloeng-goeloeng koe ramo; geus kítoe ditaplokkeun kana raheut tea. Biasana eta raheut katjida tereh tjageurna. Tapi samemehna dioebaran, eta raheut koedoe dikoembah heula sing běrěsih pisan koe godogan akar tanggoli.
  3. Raheut lantaran kakadek sok tereh tjageur koe geutah gěbang. Samemehna dioebaran koedoe dikoembah heula masing běrěsih.
  4. Raheut anoe karasana panas djeung katjida njěrina, sok leungit njěrina koe senggang-tjoetjoek: daoenna dirleus sing lemboet, dioebarkeun. Daoen senggang-tjoetjoek bawana tiis.
  5. Seureuh oge dirieus, beunang koedoe dioebaran koe ieu, lamoen raheutna ateul. dipake oebar raheut Ateul.

Tjatjingeun.

Anoe sok tjatjingeun babakoena pisan boedak. Ari katjirina tjatjingeun: beuteungna boengkiang, boeoekna tjarĕngkat, boeloe-panonna rarapět djeung roeng getek.

Děmi oebarna:

  1. Boeah oedani (= katjěkloek-tjekloek, basa Djawa = akar poentianak, Mal. = oedani, Batawi). Eta boeah sok diseboet „tjěgoe" atawa „tjekloek". Keur ka boedak leutik mah 3 atawa 4 siki teh geus meudjeuhna; keur boedak anoe geus gěde koedoe rada loba. Eta boeah koedoe didasarkeun.
  2. Koneng-tinggang salodjor diparoed, tjaina satengah tjatjangkir, dioeděk. Ingkeun kira² 2 djam, ti dinja disaring. Isoek² didasarkeun.
  3. Moengsi Arab 2 sendok gede pínoeh, diboentěl koe lamak, toeloej digodog tjaina 2 tjatjangkir, nepi ka tjaina ngan kari satengahna. Toeloej boentělan moengsina didjait; ari tjaina téroes digodog, digoelaan koe goela kawoeng. Eta godogan moengsi tea koedoe didasarkeun, sarta isoekna koedoe nginoem kastroli. [ 85 ]
  4. Ngala mangandeuh doea-tiloe dahan, koneng-tinggang 2 c.M.

(± 2 boekoe tjoeroek) djeung oejah saeutik; tjaina satengah botol limoenadě. Toeloej digodog něpi ka tjaina kari satengahna deui. Eta godogan koedoe didasarkeun.

Tjatjing pita.

  1. Keur kolot: 500 něpi ka 1000 siki waloeh, keur boedak sátengahna atawa sapěrtiloena ti dinja. Eta siki waloeh badena pisan koedoe didasarkeun; tapi anoe didaharna ngan eusina siki bae, djadi koedoe dipěsek heula. Heuleut doea djam ti měntas dahar siki waloeh, koedoe nginoem kastroli,
  2. Tjipati kalapa hedjo noe lěkoh saloemoer, didasarkeun salégnek těroes něpi ka beakna: boedak satengahna atawa sapertiloena.

k. TAMBA PATEK.

Noe sok kataradjang patek, lolobana oerang Priboemi, radjeun oge bangsa Tiong Hoa, tapi teu loba; ngan oerang Europa anoe samasakali tara kataradjang teh. Aja tambana anoe matih kabina-bina, nja eta anoe patek teh disoentik make „neo-salvarsan", koe sakali njoentik oge tjageur, toer teu karasa njeri.

Keur basa rame keneh pěrang mah hese pisan meunangna eta oebar, tapi ajeuna mimiti loba deui.

Kalawan pamoendoetna toean Hoofdinspecteur B. G. D. geus disadiaan doeit keur meuli eta salvarsan, pikeun njoba² ngabasmi panjakit anoe sakitoe njoesahkeunana, matak borok mangtahoen-tahoen, katoeroeg-toeroeg gěde katjida bahlana deui. Eta tjobaan lain keur nembongkeun kakoeatanana eta oebar, sabab ari kamindjoeranana mah poegoeh ge geus njata. Lamoen oerang nendjo matihna ieu soentikan, sanadjan ngan sakali oge geus tangtoe heran, sabab něpi ka kawas noe soelap bae: ajeuna disoentik, heuleut doea atawa tiloe poë. njeri dina dampal soekoe djeung kabeh patek teh leungit; antara 100 djělěma anoe disoentik, ngan oekoer aja saoerang anoe koedoe disoentik doea kali teh.

Tjobaan anoe diseboet di loehoer, maksoedna baris ngarobah atoeran anoe salah, nja eta pamarentah sok maparin eta oebar paratjoemah, teu pilih anoe beunghar atawa miskin. Ajeuna rek ditjoba koemaha kadjadianana lamoen somahan² koedoe malajar. ibarat meuli eta oebar. Sagala barang anoe rada hese diteanganana atawa koedoe kalawan dibeuli, biasana sok diadjian koe oerang, lain kitoe? Djeung deui pakeun di djělěma anoe taljan kapandjingan elmoe, tangtoe boga pikiran kieu: Eta barang beunang koe dipenta bae, henteu koedoe dibeuli, tangtoe eta barang teh euweuh pangadjina". [ 86 ]kioerat. Samemehna dipake koedoe dikoembah heula sing běrěsih pisan, toeloej digoeloeng-goeloeng koe ramo, mambrih kaloear tjaina. Sanggeus kitoe toeloej ditaplokkeun kana raheut tea. Dina sapoë koedoe diganti tiloe kali.

  1. Ari raheut anoe teu djěro hade dioebaran koe widara-oepas. Samemehna dioebaran, raheutna koedoe dikoembah heula sing běrěsih koe godogan patje sawit, hartina: patje, papagan djeung akarna tina tjangkoedoe satangkal. Sanggeus kitoe raheutna ditoetoep koe widara oepas beunang ngeureut ipis. Lamoen raheutna djěro, hade dioebaran koe ieu: njokot akar tanggoli bobot roepia 20 à 30, tjai sablek minjak tanah, toeloej digodog něpi ka kari ¾ na deui. Raheutna dikoembah koe eta godogan, sarta diķětjeran deuih.
  2. Daoen běběsaran dileumpeuh, toeloej dioelasan minjak kalapa, digoeloeng-goeloeng koe ramo; geus kitoe ditaplokkeun kana raheut tea. Biasana eta raheut katjida tereh tjageurna. Tapi samemehna dioebaran, eta raheut koedoe dikoembah heula sing běrěsih pisan koe godogan akar tanggoli.
  3. Raheut lantaran kakadek sok tereh tjageur koe geutah gebang. Samemehna dioebaran koedoe dikoembah heula masing běrěsih.
  4. Raheut anoe karasana panas djeung katjida njěrina, sok leungit njěrina koe senggang-tjoetjoek: daoenna dirleus sing lemboet, dioebarkeun. Daoen senggang-tjoetjoek bawana tiis.
  5. Seureuh oge dirieus, beunang dipake oebar raheut. Anoe koedoe dioebaran koe ieu, lamoen raheutna ateul.

Tjatjingeun.

Anoe sok tjatjingeun babakoena pisan boedak. Ari katjirina tjatjingeun: beuteungna boengkiang, boeoekna tjarèngkat, boeloe-panonna rarapět djeung iroeng getek.

Děmi oebarna:

  1. Boeah oedani (= katjěkloek-tjěkloek, basa Djawa akar poentianak, Mai = oedani, Batawi). Eta boeah sok diseboet „tjěgoe" atawa „tjekloek". Keur ka boedak leutik mah 3 atawa 4 sikl teh geus meudjeuhna; keur boedak anoe geus gěde koedoe rada loba. Eta boeah koedoe didasarkeun.
  2. Koneng-tinggang salodjor diparoed, tjaina satengah tjatjangkir, dioeděk. Ingkeun kira² 2 djam, ti dinja disaring. Isoek² didasarkeun.
  3. Moengsi Arab 2 sendok gede pinoeh, diboentěl koe lamak, toeloej digodog tjaina 2 tjatjangkir, něpi ka tjaina ngan kari satengahna. Toeloej boentèlan moengsina didjait; ari tjaina těroes digodog, digoelaan koe goela kawoeng. Eta godogan moengsi tea koedoe didasarkeun, sarta isoekna koedoe nginoem kastroll. [ 87 ]
  4. Ngala mangandeuh doea-tiloe dahan, koneng-tinggang 2 c.M.

(± 2 boekoe tjoeroek) djeung oejah saeutik; tjaina satengah botol limoenadě. Toeloej digodog něpi ka tjaina kari satengahna deui. Eta godogan koedoe didasarkeun.

Tjatjing pita.

  1. Keur kolot: 500 něpi ka 1000 siki waloeh, keur boedak sátengahna atawa sapěrtiloena ti dinja. Eta siki waloeh badena pisan koedoe didasarkeun; tapi anoe didaharna ngan eusina siki bae, djadi koedoe dipěsek heula. Heuleut doea djam ti měntas dahar siki waloeh, koedoe nginoem kastroli,
  2. Tjipati kalapa hedjo noe lěkoh saloemoer, didasarkeun salégnek těroes něpi ka beakna: boedak satengahna atawa sapertiloena.

k. TAMBA PATEK.

Noe sok kataradjang patek, lolobana oerang Priboemi, radjeun oge bangsa Tiong Hoa, tapi teu loba; ngan oerang Europa anoe samasakali tara kataradjang teh. Aja tambana anoe matih kabina-bina, nja eta anoe patek teh disoentik make „neo-salvarsan", koe sakali njoentik oge tjageur, toer teu karasa njeri.

Keur basa rame keneh pěrang mah hese pisan meunangna eta oebar, tapi ajeuna mimiti loba deui.

Kalawan pamoendoetna toean Hoofdinspecteur B. G. D. geus disadiaan doeit keur meuli eta salvarsan, pikeun njoba² ngabasmi panjakit anoe sakitoe njoesahkeunana, matak borok mangtahoen-tahoen, katoeroeg-toeroeg gěde katjida bahlana deui. Eta tjobaan lain keur nembongkeun kakoeatanana eta oebar, sabab ari kamindjoeranana mah poegoeh ge geus njata. Lamoen oerang nendjo matihna ieu soentikan, sanadjan ngan sakali oge geus tangtoe heran, sabab něpi ka kawas noe soelap bae: ajeuna disoentik, heuleut doea atawa tiloe poë. njeri dina dampal soekoe djeung kabeh patek teh leungit; antara 100 djělěma anoe disoentik, ngan oekoer aja saoerang anoe koedoe disoentik doea kali teh.

Tjobaan anoe diseboet di loehoer, maksoedna baris ngarobah atoeran anoe salah, nja eta pamarentah sok maparin eta oebar paratjoemah, teu pilih anoe beunghar atawa miskin. Ajeuna rek ditjoba koemaha kadjadianana lamoen somahan² koedoe malajar. ibarat meuli eta oebar. Sagala barang anoe rada hese diteanganana atawa koedoe kalawan dibeuli, biasana sok diadjian koe oerang, lain kitoe? Djeung deui pakeun di djělěma anoe taljan kapandjingan elmoe, tangtoe boga pikiran kieu: Eta barang beunang koe dipenta bae, henteu koedoe dibeuli, tangtoe eta barang teh euweuh pangadjina". [ 88 ]Djaba ti eta tangtoe moal kabědag lamoen sakabeh anoe patek dioebaranana pěrtjoemah bae, sabab noe patek teh lain sareboe-doea reboe, tapi kapan ratoes reboe reana, mangkaning dina sakali njoentik pangadji ƒ 3.50.

Di afdeeling Pandeglang (Karesidenan Banten) eta atoeran didjalankeunana kira geus tiloe boelan liiana; kalawan oesahana Djoeragan Doktor R. HAMIMZAR, sarta geus kaboektian, mangratoes-ratoes djělema noe patekna tjalageur henteu make doeit nagara (ari doeit nagara teh nja doeit padjěg anoe ti djělěma tea hartina). Ajeuna B. G. D. rek ngadjalankeun eta atoeran, djeung geus ngirimkeun pirang² oebar neo-salvarsan ka doktor panjakit koelit noe digawe di polikliniek C. B. Z. Salemba, di roemah sakit Tjikini, di Roode-Kruis (Kemajoran) pikeun soentikan paratjoemah keur noe miskin noe menta oebar geusan ngoebaran patekna. Eta soentikan teh ngan geusan pangadjak bae; djadi lamoen eta neo-salvarsan geus beak, Kabeh anoe disaroentik koedoe majar ƒ 3.50, hartina majar harga oebar bae, ari oesaha djeung pitoeloeng doktor mah henteu koedoe dibajar.

Pikeun soentikan salvarsan, Polikliniek C. B. Z. Salemba diboeka oenggal poëan digawe (werkdagen) poekoel 8 isoek, di Tjikini Denggal poë Selasa, Kěmis djeung Saptoe poekoel 10 isoek, ari di Roode-Kruis (Kemajoran), oenggal² poe Salasa djeung Kemis poekoel 11 isoek.

Nja ajeuna waktoena oerang Priboemi noe rada boga, noe njaah ka bangsana, koedoe daek noeloengan bangsana anoe mariskin teh; noe djadi djoeragan sing daek noeloeng ka djělěmana dj. st.

Meureun teu koedoe diterangkeun deui, jen pitoeloeng Polikliniek teh, lain baris noe hiroepna toemaninah, sabab eta mah djělěma boga; boga keur majar ongkos doktor; bisa menta hae ka doktor-doktorna atawa datang ka doktor panjakit koellt.


25. HAL PANGAWEROEH AWEWE.

a. HAL NGATIK BOEDAK.

Hal ngatik boedak dina mimiti, nja eta ti barang borodjol něpi ka oemoer 6-7 tahoen, pang-pangna pisan aja dina tanggoengan indoeng. Eta beurat kabina-bina, sabab saoer anoe ahli elmoe-atik, ti barang boedak didjoeroekeun něpi ka oemoer toedjoeh tahoen, babakoena di dinja ngabangoenna watěk djeung akal teh.

Djeung saoerna deui, nja dina waktoe eta baroedak teh panglobana meunangna dedengean djeung tetendjoan noe maneuh narapak dina atina, djadi adat djeung pamake, nja eta sagala [ Gb4 ]

Raden Adjěng KARLINAH,

Goeroe Istri Priboemi anoe mimiti pisan meunang ,,hulpacte".

[ 87 ]pěrkara anoe gède pisan gawena kana djalan kahiroepanana mangke di ahir.

Koe hal eta indoeng teh koedoe inget sapapandjangna, jen manehna boga kawadjiban anoe sakitoe beuratna, sakitoe kesena, sarta djadina adat djeung watěk anak-anakna teh, eta kabeh aja dina gégèmanana.

Ti boeboedak keneh baroedak teh koedoe dibiasakeur daek noeroet kana papatah djeung ngaloris lampah sorangan koe pribadi. Boedak teh seukeut pisan rasana, gantjang nakër njáhoeun, naha omongan indoengna teh koekoeh tjara wet atawa hěnteu.

Sagala djangdji indoeng sabeunang-beunang keedoe diboektikeun djeung sagala sètrapan, sanadjan sakoemaha beuratna oge, koedoe didjalankeun.

Di hareupeun boedak, noe djadi kolot, koedoe djudi tjonto hade, celah tembong pasea atawa todjaiah, karana kalakocan kitoe teh saroea bae djeung njontoan goreng ka boedak. Kitoe deui oelah sok měrtjajakeun teuing baroedak ka boedjang. Ari dahar baroedak teh leuwih hade diadjak bareng bae, soepaja ti bocboedak keneh geus njaho koemaha pěta-pětana atoeran noe dahar; moen manehna ngalanggar atoeran, dina mimiti hade geunggeureuhkeun bae, oepama ngalampahkeun deui, koedoe dititah njingkah ti těmpat dahar, ka lian těmpat, disina dahar sorangan.

Sabeunang-beunang lamoen njětrap teh oelah sok beurat euing, djeung oelah dikodekan teuing sagala kasalahanana; ari kitoe mah bangsa kasalahan anoe laloetak-laleutik, soemawonna noe lain lantaran manehna mah, hade antěn hae. Lantaran kaliroe ata wa beurat teuing njetrap, bisa djadi oge matak wangkělang ka boedak djeung ngaroeksak kaadilan hatena.

Tina hal ngarangket boedak geus reja pisan nce ngoeroeskeun, sawareh rarempoeg sawareh deui henteu. Tapi koe oerang beunang didjieun patokan, jen boedak noe leutik keneh, noe tatjan ngarti djeung tatjan njaho di adil oelah pisan rek dirangket.

Djeung deui cerang koedoe ingět, jen watěk boedak teh beda². aja noe koe dirangket teh achirna djadi aloes, ari sawareh deui mah djadi goreng, adatna roeksak.

Noe djadi kobt koedoe ingět, oelah pisan rek njětrap boedak dina keur amběk, karana bisa djadi oge merena setrapan beurat teuing. Oepama amarah oerang geus leungit ěnja djeung oerang geus bisa nimbang kasalahan boedak teh kalawan sabar, kakara hade oerang mere sětrapan.

Sětrapan anoe adil, komo lamoen make diterangkeun sabah-sababna pangna disetrap mah, eta hade kabina-bina. Ari setrapan teh teu beunang pisan perkara noe pikasieuneun ka boedak, tjaraning ditoetoep di kamar poëk atawa dlsingsieunan koe bangsa djoerig atawa sato. [ 88 ]Njětrap boedak: teu beunang miloe njaba djeung indoeng atawa teu beunang miloe oelin djeung batoer oelinna, kaasoep kana setrapan anoe katjida aloesna. Noe mere sětrapan teh salawasna koedoe indoeng pribadi, teu beunang pisan nitah deui ka noe sedjen. Sabalikna, pagawean anak noe hade, koedoe diboeroehan, ari boeroehanana mah, koe pamoedji djeung koe dihatean oge, eta dianggap boeroehan anoe gěde pisan koe boedak. Akal boedak teh sok gantjang boekana, sarta ana geus boeka sok toeloej sagala roepa hajang njaho sabab-sababna atawa koemaha-koemahana. Tah nja ti harita mimitina ngatik ěnjaän mah. Loba pisan kolot' noe sok keuheuleun ana anakna hantěm tatanja bae teh sarta kakeuheulna teh sok dihadja ditembongkeun. Eta teu hade pisan. Indoeng noe hade, tara pisan ngarasa bosěn ditanja koe anakna, sabab indoeng teh salilana ingět, jen sagala barang anoe kaprah, anoe loembrah katendjona koe indoeng, ari koe boedak mah katendjona aneh pisan.

Boedak anoe teu eureun² tatanja, eta tandą jen resep kana rea pangawěroeh djeung resep kana diadjar. Bisa ngadjawab sagala pěrtanjään baroedak teh, eta hidji kapintěran indoeng anoe gěde katjida; tapi oepama ditanja pěrkara noe hese, oelah rêk didjawab koe katerangan? noe djarěro, indoeng teh beunang ngabedjakeun ka anakna, jen eta pertanjaän moal didjawab, karana moal pikakartieun koe boedak.

Satatjanna oemoer 6 à 7 tahoen, toedak teh tatjan beunang ngamimitian diadjar ěčnja-ěnja. Diadjarpa koedoe bari oelin, nja eta soepaja bari djeung rěsěp. Lamoen kitoe dilakoekeunana geus teu mangmang deui tangtoe aloes djadina.

Djaman baheula mah noe sok diatik čnja-ěnja teh ngan boedak lalaki bae, ari awewe mah teu pati dipěrloekeun, tapi ka-beh-dieunakeun, soemawonna djaman ajeuna, baroedak awewe teh koedoe bisa digawe tjara boedak lalaki, malah loba noe koedoe bisa njiar kahiroepan sorangan.

Baroedak awewe bangsa somahan měrloekeunana pisan kana diadjar: olah-olah, ngapoet, ngabatik djeung salian ti eta, ari bangsa menak měrloekeunana kana pagawean aloes, kajaning dladjar moesik, ngabordel, ngagambar djeung salian ti eta

Boedak awewe noe meunang pangadjaran hade, lain bae djadi papaes dina koempoelan-koempoelan, tapi piengkee nana djadi papaes di imahna djeung koelawargana. Koesabab eta pikeun menak², dina milihna sakola pikeun poetrana, boh sakola Hasa boh sakola anoe bari djeung dipondokan pisan (kostschool), koedoe milih sakola anoe hade pangadjaranana dina hal ngamoesik, ngagambar, ngabordel djeung salian ti eta, sarta anoe ngaraksana di loear sakola saroea bae djeung di djěro sakola, djeung ngelinganana [ 89 ]kalawan lěmah-lemboet, kalawan tjinta hate, ambeh di achir djadi pangeling-eling, ana ras ingět ka alam manehna sakola, djadi kaboengahan kana hatena.

b. NGABERESIHAN MARMER.

Marměr anoe dipiara hade², ngaběrěsihanana tjoekoep koe dikoembah bae make saboen, dikosokna koe sikat.

Lamoen eta marměr roto tingbarěntjlok ngaběrésihanana make ieu:

kapoer beunang ngarieus něpi ka lěměs 1 ons bobot 3 roepia, batoe kambang beunang ngarieus datang ka lēměs 1 ons = ± bobot 3 roepia djeung 2 ons = bobot + 61 kětip soda. Ieu noe tiloe roepa barang dibaoerkeun sing baoer pisan, toeloej diajak. Ti dinja ditjitjian koe tjipanas sing djadi boeboer, toeloej dioelaskeun kana marměr tea, palěbah noe kotor mah koedoe rada dikandělan.

Geus kitoe koe oerang koedoe diingkeun sapeuting, isoekna kakara dikoembah deui.

Aja deui pětana ngaběrěsihan marměr kieu:

Njokot kandji doea sendok-makan ditjampoeran tjatah saeutik kira² těpi ka djadi boeboer kentěl; diadoek koe sendok kai datang ka lěmboet. Bari dikotjek, tjoer tjítjian koe tjiasak noe ngagolak diadoek tepi ka boeboer teh ngentjlong. Eta boeboer dioelaskeun kana marměr toeloej diingkeun disina toehoer. Ti dinja toeloej eta boeboer dikolotokkeun tina marměrna, těroes dikoembah sing běrěsih koe tjfsaboen. Koe oxaalzuur di oenggal apotheek oge aja. oerang bisa ngaleungitkeun roto noe tingbarentjlok, ngan ngosokkeunana koedoe gantjang, geus kitoe geuwat dikoembah deui, bisi matak ngaleungitkeun roepana mariner noe asal.

Ngaběrěsihan pigoera (schilderijen).

Katjana. Ngaběrěsihanana katja pigoera koe dikosok koe spiritus 1 sendok-makan ditjampoeran doea tjatjangkir tjipanas, dikosokkeunana koe koelit gems atawa zeem (¹) sing těpi ka djoeroe-djoeroena, kade kana palipidna, kakara disoesoet koe lamak noe toehoer.

Palipidna noe dierěmas. Lamoen erěm isna bangsa aloes mah, tjoekoep koe dikoembah bae, dikosok koe lamak soetra. anoe dipake ngoembahna tjampoeran spiritus djeung tjipanas anoe saroea lobana. Geus kitoe dikosok něpí ka toehoer koe lamak Foetra.

Lian ti eta beunang oge diběrěsihan koe satjatjangkir tjigodogan bawang (bawangna 3 sihoeng), haneut² dikosokkeun, erěmasna sok běrěsih djeung herang deuih.


(¹) Anoe sok dipake ngosok tasma koe toean-toean. [ 90 ]

Ngaberesihan eunteung.

Ngaberesihanana eunteung dikosok lalaoenan koe tjai haneut koekoe noe geus meunang njampoeran koe ammonla saeutik. Tapi kade oelah antěl kana palipidna (ělesna) soemawonna moen erěmas mah.

Lamoen eta eunteung lila teu diběrěsihanana těpi ka roto tingběrěntjlok, leuwih hade dikosok koe kapoer meunang ngarieus ditjampoeran koe alcohol atawa spiritus sing djadi boeboer. Eta boeboer dipoelaskeun kana eunteung, antěp sing těpi ka toehoerna, toeloej dipoepoes deui koe lamak bangsa pěrnel atawa soetra.

Ngaběrěsihan wadja.

Ngaběrěsihan wadja dikosok koe hampělas kěrětas noe aloes pisan No. 0 ngosokna koedoe anggěr sadjalan bae. Batoe asahan beunang ngaběběk sing lemboet, eta oge hade baris ngosok wadja. Eta běběkan batoe asahan ditjampoeran minjak tanah atau spiritus, toeloej kosokkeun make lamak pěrnel, geus kitoe dikosok deui koe běběkan noe toehoer make lamak toehoer.

Ngaběrěsihan tambaga.

Tambaga diběrěsihanana dikosok koe běběkan batoe asahan ditjampoeran minjak terpentijn atawa minjak tanah. Dimana geus toehoer ěnja, dikosok koe lamak soetra atawa pěrnel noe toehoer.

Oge bisa diběrěsihan koe dikeueum dina tjai borax beunang ninjoeh koe tjai, toeloej dikosok koe djěroek beunang ngeureut, geus kitoe dikoembah deui, djeung dikosok sing těpi ka toehoer.

Ngaběrěsihan gading

Mimitina barang² noe didjieunna koe gading teh díkoembah koe saboen atawa dina tjai haneut-koekoe, oepama tatjan běrěsih bae, dikosok deui koe oejah atawa tjoeka djeung tjidjěroek. Hade oge toeloej dipoë, tapi moëna, koedoe ati² oelah těpi ka garing pisan, karana lamoen garing teuing sok bengkok.

Miara barang² bangsa perak.

Soepaja barang bangsa perak tětěp aloesna koedoe dioeroes hade² panglilana oge tiloe minggoe sakali mah koedoe diběrěsihan.

Koedoe ati pisan soepaja oelah goegoes, noe matak diteundeunna oge oelah dibaoerkeun djeung bangsa barang noe seukeut. Ari ngoembahna koe tjipanas beunang njampoeran koe ammonia sa[ 91 ]eutik djeung saboen. Toeloej disérébetan hidji² sing toehoer pisan.

Lamoen sanggeus dikoembah teh toeloej dihearkeun bae, hartina masih keneh aja tjai dina eta barang perak, eta bisana koedoe bae aja oeroetna, sarta henteu gampang ngaleungitkeunana.

Ari njangiingna barang perak, oerang koedoe njampoerkeun tipoeng kapoer djeung ammonia atawa spiritus sing tjara boeboer. toeloej barang peraki teh dipoelas koe eta:

Toeloej dilngkeun sina toehoer heula. Dimana geus toehoer ènja. kakara dikosok koe pěrnel atawa soetra.

Peso djeung garpoeh perak anoe gagangna kod gading atawa toelang teu beunang diantjlomkeun djeung gagang-gagangna kana tjipanas, sabab élim (pangrapět) anoe mageuhkeun peso kana gagangna tangtoe leeh, heug bae pesona molonjon.

Koe lantaran eta, koedoe ati² pisan soepaja gagangna oelah antěl kana tjal. Oelah pisan rek ngingkeun hampas teh dina potjl-teh perak lamoen eta potji měntas dipake koedoe geuwat dikoengkoerahan koe tjipanas. Lamoen eta potji ti djěrona koe lantaran dipake, tepi ka aja sěmoe hideung, koe oerang koedoe dieusian tjipanas make soda, toeloej diingkeun meunang sapeuting.

Ti dinja toeloej dikoengkoerahan koe tjipanas.

Ngaběrěsihan gědah.

Ari bangsa běling mah lain deui ngaběrěsihanana oge.

Bangsa běling teh diběrěsihanana dikeueum koe tjipanas. beunang njampoeran koe saboen saeutik djeung diketesan ammonia doea-tiloe ketjlak. Toeloej diseka hidji koe lamak ipis, oelah noe boeloean, ti dinja ditoehoerkeun koe diangin-angin. Oepamana bae loemoer oeroet wadak soesoe, eta koedoe geuwat² dieusian tjal soepaja soesoena henteu toehoer dl djěro loemoer; ana soesoe toehoer manten, sok hese dikoembahna.

Soepaja loemoer bisa herang ngagěntjlang, tjal noe baris ngoembahna tel koedoe ditjoekaan saeutik. Ari loemoer anoe make dikembang-kembang koe oekiran niah diběrěsihanana koedoe make sikat.

Ngaberesihan botol.

Botol diběrěsihanana koe tjipanas, poeroeloekan koe teh saeutik atawa koeměli atah, beunang ngeurentan, toeloej dlingkeun, sakeudeung-sakeudeung botol teh dikotjlok.

Koe tjoeka djeung oejah badag botol teh bisa herang saasal deui, ari lobana, moen oejahna sabagian tjoekana does. bagian. Lamoen botol teh henteu toeloej herang, tjoeka djeung oejah tea koedoe diingkeun di dinja rada lila. [ 92 ]

Maehan taga (¹).

Koetoe andjing. Leungitna ieu taga ngan koe běrseka katjida, koe hawa běrěsih, koe tjaang djeung koe tjahja panon poë. Ari ngalobaanana koetoe andjing teh, di noe panas, noe kotor djeung di noe poěk. Lamoen di enggon aja koetoe andjing, kasoer djeung anggěl koedoe dipoë, djeung beusi randjang, nja kitoe deui oebin handapeun katil, koedoe dikoembah make saboen carboi.

Djeung lawang sarta djandela² koedoe diboekaan dikeblakkeun, soepaja hawa ti loear anoe běrěsih bisa asoep. Baris ngaleungitkeun koetoe andjing aja roepa² poejer di apotheek, diseboetna „vlooienkruid”. Koe kapoerbaroes, diawoeran, koetoe andjing sok njingkah.

Gěgět. Ieu taga karesepna pang-pangna njajang dina sajet djeung bangsa boeloe djeung dina bangsa lakěn, sarta katjida ngaroeksakna. Hade pisan oepama barang bangsa kitoe teh disikat sing běrěsih; lamoen pakean, hade oge ditilěpan, toeloej diboengkoes koe soerat-kabar make kapoerbaroes atawa naphtaline, těroes diampihan.

Gěgět teh teu rěsěpeun pisan kana mangsi tjitak, soemawonna oepama mangsina anjar keneh mah, djadi baris boengkoes teh oelah koe soerat-kabar anoe geus llla teuing. Bangsa ewol djeung bangsa laken hade oge diboengkoes koe lawon. Kana lawon geget teh tara daekeun, noe matak lawon teh hade baris boengkoes.

Toembila. Toembila di Hindia loba pisan djeung lantaran tereh pisan ngalobaanana, koe sabab eta, di mana perang manggih toembila di enggon, harita keneh koedoe těras dibasmi. Biasana ajana teh dienggon djeung sabangsana. Kasoer koe oerang koedoe geuwat dipoe sarta disikat sing imeut, komo dina wiroe² djeung lělěgokanana mah. Parabot randjang bangsa beusi djeung bangsa kai koedoe dilaanan, dikoembah koe saboen carboi djeung tjai. toeloej dipěntrangkeun di noe panas pisan, ti dinja dioelasan koe terpentijn.

Di imah noe běrseka enja, arang langka aja toembila.

Beurit. Akalna ngabasmi beurit oelah disina meunang baranghakan naon², poma di imah oerang oelah aja anoe moeka, anoe beunang dipake djalan koe beurit malingan kahakanan.

Koe doea atawa tiloe oetjing djeung senteg atawa tjoebloek doea tiloe oge tjoekoep keur ngabasmi beurit. Bisa oge dibasmi koe dibaroeang, make phosphorus-pasta, di oenggal apotheek oge aja. Dipětakeunana digalokeun djeung daging, tah koe ieu akal bişa hasil maksoed oerang teh, ngan handjakalna teh sok risi bisi kahakan koe sedjen sato tjoo oerang.


(¹) Dina basa Walanda distboetna „insect.” [ 93 ]Laleur. Lamoen oerang di imah poesing lantaran loba laleur, akalna noe panghade-hadena teu aja lan kadjaba ti oengga)² panto djeung djandela, sisi-sisina, dioelasan koe carbol-tjampoeran klra' 5% (¹), koe baoena eta, laleu: teh teu daekeun asoep. Ari pětana ngaleungitkeun laleur ti těpas atawa ti tengah imah, noe dipake kertas laleur (vliegen papier), oerang oge bisa njleun pribadi; njokot bae kertas anoe roepana semoe beureum beunang ngoelasan koe madoe atawa sirop toeloej dipoeroeloekan poejèr sato leutik (insecten poeder) di oenggal apotheekt oge aja.

Bisa oge oerang maehan laleur koe akal ieu: lawang jeung djendela ditoetoep, toeloej meuleum wyalirang di djěro imah.

Tarekah dina waktoe kahoeroean.

Dina lebah aja kahoeroean anoe pangpangna pisan orang koedoe djědjeg ingětan.

Lamoen koelamboe kadoeroek, eta mindeng pisan kadjadian, koelamboe teh koedoe dikěnjang, balangkeun ka taneuh toeloej dikěpoekan koe kaenpanas atawa andoek beunang ngabaseuhan.

Lamoen koelamboe noe koeroeng teh geus dina taneuh, bade bandjoer koe tjai oepama gampang ngalana atawa aer-walanda.

Lamoen lampoe tidjoengkěl, sarta minjakna hoeroeng dina taneuh, oelah dipareuman koe tjai, tapi koe keusik atawa leboe. Lamoen aja noe kadoeroek papakeanana, koedoe geuwat ngedeng dina taneuh (seuneu teh hoeroengna lempeng ka loehoer, lamoen eta djělěma nangtoeng bae gampang pisan seuneu teh ngalentab kana beungeut djeung kana boeoek). Ari dikěděngkeun mah seuneu teh hoeroengna sačnggon bae, malah lamoen dipake goegoelingan mah sok pareum sorangan. Lamoen kaběněran aja bangsa kaenpanas atawa paramedani djeung sabangsana, noe kadoeroek teh. bari goegoelingan, koedoe sina ngagoeloeng maneh koe kaenpanas tea. tangtoe seuneu pareum.

Oelah pisan loempat ka loear bari gegěroan menta toeloeng, eta sok matak beuki katjida bae, tapi loembrahna djělěma teh sok hajang kitoe, loempat bari gegeroan menta toeloeng. Lamoen di djero Imah kahoeroean sarta pinoeh koe haseup, kapaksa oerang koedoe loempat ngallwat ka dinja, njokot bae handdoek atawa serebet baseuh pake meungpeukan iroeng djeung soer.goet oerang ditalikeun. Haseup teh teu bisa asoep kana sērēbet baseuh, toer oerang bisa ngamběkan. Ari leumpangna asoep ka imah noe pinoeh koe haseup kitoe, koedoe ngorondang. Beuki deukeut kana taneuh, beuki henteu sakoemaha ripoehna koe haseup.

Raheut koe seuneu, oelah rek katjalan, sabab sok beuki katjida. Leuwih hade dioebaran koe minjak lěndah ditjampoeran koe apoe.


(¹) Hartina carbol 5 bagian, tjaina 95 bagian. [ 94 ]

Ngaleungitkeun taratol tina lamak.

Taihiang. Roto noe kleu beunangna koe zuringzuur. Mimitina sadia wadah beunang ngeuslan koe tjipanas; lamak noe aja rotona teh dibaseuhan heula, toeloej dlbeberkeun dina wadah lěbah rotona. Toeloej dipoeroeloekan zuringzuur palebah rotona, ti dinja dikosok make lamak beunang ngabaroendělkeun (lamoen dikosokna koe ramo, bisa djadi oge ramo oerang koe zuringzuur molotok). Tjai anoe ngagolak dina bak anoe saabna njamboeang ka loehoer koe oerang antěp bae sina moepoet zuringzuur noe dioelaskeun kana roto taihiang, tea, něpi ka tapak taihiang teh beuki lila beuki ipis.

Totol mangsi. Lamoen kamangslanana teu lila teuing, dileungitkeunana totol mangsi teh, barangna digodog koe soesoe. Lamoen anoe geus lla, beunangna nja tjara ngaleungitkeun taihiang bae. Sok radjeun oge beunang koe kieu: palěbah noe kamangsian tea dimangsian beureum, toeloej diantěp sina toehoer. Ti dinja toeloej dikoembah. Mangsi beureum maehan mangsi hideung.

Ngaberesihan pakean anoe katjitilan anggoer atawa kageutahan koe boeah.

Palěbah noe katjitjlan anggoer, dikosok koe oejah; mimitina dibeberkeun di loehoereun pinggan, toeloej dikosok koe oejah, ti dinja ditjitjlan tjipanas, kitoe bae sababaraha kali. Ari ngaleungitkeunana geutah boeah, koe zuringzuur atawa chloorkalk.

Ngabersihan papakean noe kotor katjitjian teh atawa kopi.

Mimitina barang atawa papakean noe kakotoran teh dibeberkeun di loehoereun pinggan, samemeh dibeberkeun dibaseuhan heula, toeloej dikoвok koe borax, ti dinja ditjltjian tjipanas; kitoe bae sababaraha kali. Moen teu daek beunang bae, make chloorkalk.

Ngaberesihan pakean noe kotor koe tjet.

Lamoen anjar keneh, beunangna dikosok koe terpentijn. Lamoen geus toehoer pisan, terpentijnna tjampoeran heula koe ammonia saeutik.

Lamoen steun moentah batikna atawa kembangna, lantaran noe koe tjet teh palěbah noe aja kembangna, dioelas heula koe minjak, kakara dikosok koe terpentijn. [ 95 ]

Ngaberesihan tjimeuting.

Tjlmeuting teh hese pisan dileungitkeunana. Tjoba pakean oerang dibeberkeun dina papan sarta dibaseuhan dikosok koe oejah saeutik, toeloej ditjoba-tjoba dikosok koe tjidjěrork, soegan bisa leungit. Moen teu daekeun leungit, njokot kapoer beunang měběk, poejerna tjampoeran tjai, oelaskeun palěbah tjimeuting tea, toeloj poekeun, ti dinja kakara dikoembah.

e. KABERSEKAAN.

Sanadjan sarerea geus pada těrang oge ka noe diseboet „běrěsih” tapi tatjan kabeh daraek běrseka. Komo oerang Priboemi mah masih loba keneh pisan anoe tatjan ngartieun kana pelahna běrseka.

Ari kaběrsekaan tea loba kabina-bina pedahna.

Hal mangpaatna běrseka awak hěnreu pěrloe ditjaritakeun deui, da sarerea oge geus pada ngarasa pribadi. Saha anoe henteu běrseka, henteu ngaraksa dirina, eta tembong pisan, jer tjoepět plkirna taja panalarna, datang ka tatjan bisa ngarasakeun kasenangan dirina sorangan.

Geus loba djělěma anoe imahna marake pantjaraken, kajaning: korsi, medja djeung sapapadana, tapi handjakal pisan lolobana tatjan barisaeun ngoeroesna, kekara „barisaeun” djeung „raresep boga” bae. Henteu koerang anoe baroga barang araloes, tapi katendjona barangna teh baroeroek djeung kalotor, lantaranana taja lian ngan doemeh tara dioeroes tea bae, toeng toengna. něpi ka plnoeh koe pělědoeg. Lila' noe bogana emboengeun make, da barang garoreng kitoe, něpi ka kapaksa koedoe meul deui pantjaraken anjar toer maraha! deuih; ari pantjaraken anoe goreng tea kapaksa koedoe didjocal moerah.

Pangna meunang roegi kitoe, tetela koe polahna sorangan. Da lamoen eta pantjaraken salilana dioeroes mah, nadjan mangtahoen-tahoen oge, aloes tjara barang anjar bae. Oepama eta barang didjoeal tangtoe moal roegi, malah bisa djadi aja batlar. Sanadjan oepamana ngan pajoe sapameulina oge eta pantjaraken teh, masih beunang diseboet bati keneh, nja eta oerang make eta barang salila djadi milik oerang teu koedoe njewa. Komo djaman ajeuna mah, lain pěrkara moestahil ngadjoeal pantjaraken anoe geus dipake, meunang bati teh, da harga barang beuki marahal bae darapon barangna bae aloes keneh.

Ari babakoena mah lain ngingětkeun bati kitoe, pangna di imah koedoe běrseka teh, tapi ari di imah běrseka nah ka oerangna matak walagri, sabab sagala barang anoe sok dipake koe oerang barěrěsih, moal aja biblt panjakitan. Kadoeana sagala anoe běrěslih teh aloes, ngeunah katjida kadeuleuna. [ 96 ]Lamoen oerang neuleu paparabotan anoe bĕrĕsih, sok bidjil sangkaan dina hate: moal gagal eta noe boga teh djĕlĕma pangadjaran (ontwikkeld). Djeung ĕnja deuih, ari kabĕrsekaan teh, eta tjitjiren djĕlĕma pangadjaran. Djadi pamanggihna mangpaat keur anoe harajang make adat anoe hade; sarta ana dibiasakeun tangtoe djadi adat, adat anoe mangpaat tea.

Katiloe mangpaatna kabĕrsekaan ka djĕlĕma, eta tetela katjida, nja eta: sakabeh pangabogana salilana aloes.

Koe sabab kabĕrsekaan teh tetela sakitoe mangpaatna, salah pisan lamoen oerang teu mĕrloekeun kana ngoeroes djeung ngabĕrĕsihan babandaan oerang. Dĕmi pĕtana ngabĕrĕsihanana kieu:

Isoek² imah oerang koedoe disapoean masing bĕrĕsih; tidinja ngĕboetan pantjaraken (meubel) djeung sapapadana; [ngarah gantjang djeung babari, kĕkĕboetna hade koe kĕloed (plumeau)]; sagala kokotor djeung pĕlĕdoeg anoe narapĕl kana paparabotan koedoe beunang, nĕpi ka bĕrĕsih. Lamoen rada pageuh, ngabĕrĕsihanana hade koe lamak, pambrih oelah letjet djeung herangna anggĕr, malah sok tambah. Bangsa gĕdah djeung marmĕr ngosokna koedoe tarik, soepaja herang. Oepama katimbang pĕrloe, hade dikosok deui, nĕpi ka doea kali. Bangsa logam, koedoe mindĕng dikosok nĕpi ka herang; ari keur ngosokna aja parantina.

Dĕmi ngabĕrĕsihanana pangtjopelna oge, sapoe teh koedoe doea kali: isoek² djeung pasosore; tapi ari kadeuleu pĕrloe mah, dina tĕngah poe oge hade dibĕrĕsihan. Eta leuwih oetama, da pĕlĕdoeg teh datangna taja kĕndatna, djadi ngabĕrĕsihanana oge koedoe mindĕng.

Ari anoe koedoe ngoeroeskeunana hal ngabĕrĕsihan imah katoet pantjarakenna, eta awewe; ana noe djadj awewe gĕtol bĕbĕrĕsih, tangtoe pisan landjang-landjangna oge kabawa garĕtol. Anoe djadi badega moal wanieun tinggal kahidĕngna, sabab koe teu bĕbĕrĕsih sakali oge katjiri, paparobotan hĕnteu harerang, lamoen koe oerang dirampa karasa ngĕrĕs, djeung narapĕl kana ramo oge. Anoe djadi awewe oelah arek pĕrtjaja teuing ka badega tina pĕrkara ieu oge, koedoe dianggap djadi kawadjibanana nangen gawe kabeh boedjangna teh; djadi hal ngabĕrĕsihan pantjaraken oge koedoe daek nangen.

Salian ti pantjaraken djeung paparabotan imah deuih anoe pĕrloe pisan dibĕrĕsihan teh, saminggoe sakali oge geus meudjeuhna, asal ngabĕrĕsihanana bae ĕnjaan: bilik, lalangit, komo djoeroe-djoeroena mah, da sok pinoeh koe ramat geuning; tembokanana koedoe dikoembah, sarta disoesoet koe lamak sangkan toehoer (di sawareh tĕmpat, disĕboetna dipel). Hal „ngĕpel” teh, salianna ngabĕrĕsihan tembok imah, matak aloes kana parabot imah deuih. Galibna soekoe pantjaraken sok tereh nakĕr kotor koe pĕlĕdoeg tina tembokan; ana tembokna bĕrĕsih, soekoe pantjaraken oge moal kotor. [ 97 ]Anoe koedoe dibĕrĕsihan teh, lain bangsa pantjaraken anoe araloes bae, anoe garoreng oge pĕrloe pisan dibĕrĕsihan; sarta ana hade pangoeroesna mah, barang anoe goreng oge katendjona hade.

Anoe sok bĕrseka teh, babakoena ngan djĕlĕma anoe geus tĕrboeka pikirna bae. Kabĕrsekaan, matak tambah loehoer kana martabat djĕlĕma.

Nana, sanggeusna sakitoe tetelana, jen kabĕrsekaan teh matak tambah loehoer kana martabat djĕlĕma, rek arěmboeng keneh bae kitoe kana bĕrseka teh?

d. NJIEUN KOEROEPOEK KOELIT DJEUNG KOEROEPOEK OERAT.

Moending djeung sapi, koelitna atawa oeratna sok didjarieun koeroepoek, koe djĕlĕma2; tapi kabiasaanana, koelit noe sok didjieun koeroepoek teh, ngan koelit sisi-sisina bae, minangka pipitjeunanana, anoe moal kapake kana kapĕrloean sedjen, ari eta mah anoe kapake keur njieun roepa parabot atawa bangsa papakean, tara. Dĕmi koeroepoek oerat, noe didjieun oerat tjeker.

Ari pĕtana njieunna kieu:

Koelit atawa oerat tea digodog sing nĕpi ka asak pisan, sanggeus asak toeloej dikeureutan, gĕdena sakoemaha kahajang oerang bae; ti dinja toeloej dikoembah masing bĕrĕsih, tĕroes dipoë nĕpi ka garing pisan.

Sanggeusna garing toeloej dikeueum koe minjak lĕndah tiis dina katel; ti dinja ditagogkeun diseuneuan, di mana minjakna geus ngagolak toeloej dikotjek, soepaja rata kaasakanana; lamoen geus tembong satĕngah asak, koedoe didjait, tĕroes dipoë deui nĕpi ka garing. Tah, eta koeroepoek atah, beunang diampihan moelan-malen.

Koeroepoek anoe geus lila diampihanana, di mana arek digoreng koedoe dipoe heula, mambrih daekeun beukah; tapi oelah ti pamoëan toeloej digoreng bae, koedoe ditiiskeun heula, sabab lamoen ti pamoëan teh tĕroes bae digoreng, sok teuas bae.

Soepaja pĕlĕm djeung katjida beukahna, waktoe tadi ngagodogna koedoe lila, nĕpi ka lamoen koe oerang eta koelit ditjotjog koe sapoe-pare oge teurak; ari satĕroesna mah tjara noe geus ditjaritakeun tea bae. Koeroepoek anoe kitoe didjieunna, salian ti pĕlĕm teh, eta ana digoreng beukahna, noe asal sagĕde njerĕ teh nĕpi ka djadi doea ramo.

e. NJIEUN DOEPA.

Mĕnjan beureum 9 bagian.
Tjandana ½ "
Mĕnjan bodas 7 "
[ 98 ]
Rasamala ½ bagian.
Kastoeri ½ "
Kajoe garoe 5 "
Oenĕm 1 "
Goela pasir 1 "

Eta kabeh dirieus nĕpi ka lĕmboet sarta digalokeun sing galo ĕnja. Toeloej diingkeun dina tĕmpatna. Di mana geus katendjo rada baseuh, kakara dipake.

Makena doepa teh teu pĕrloe loba². Sanadjan saeutik asal hĕnteu eureun ngĕloen haseupna, eta saroea bae djeung make loba.

Pĕtana ngoekoep boeoek.

Mimitina koedoe diangir heula sing bĕrĕsih. Toeloej diandoekan, tapi oelah nĕpi ka toehoer pisan. Ti dinja dikoekoedoengan; tapi beungeut mah teu koedoe ditoetoepan. Toeloej njokot paroekoejan beunang ngaroehakan koe roehak hoeroeng, toeloej dipoeroeloekan doepa saeutik, Eta paroekoejan diasoepkeun kana koekoedoeng, soepaja haseup doepa tea moepoet kana boeoek djeung moepoetna oelah eureun², lamoen boeoekna tatjan nĕpi ka toehoer mah. Soepaja seungitna doepa teh pageuh kana boeoek, boeoekna koedoe tĕroes digĕloengan sarta di djĕrona disĕlapan kĕmbang malati.

Pĕtana ngoekoep papakean.

Sanggeusna papakean teh diseuseuh bĕrĕsih, diseuseuh kadoea kali make dilĕm. Di mana geus toehoer kakara dioekoep.

Njokot koeroeng hajam anoe bĕrĕsih, anoe dibakoekeun paranti ngoekoep, baris ngoekoep papakean tea, Toeloej papakean noe rek dioekoep teh roeroebkeun kana koeroeng tea. Paroekoejanana diteundeun di djĕro eta koeroeng, Lilana kira² 2 atawa 3 djam. Saĕnggeusna toeloej papakean teh ditilĕpan, di djĕrona make kĕmbang anoe seungit.

Eta papakean teh seungitna hĕnteu leungit², ari teu diseuseuh mah.

f. SOP HOERANG.

Hoerang gĕde (hoerang barongsaj) tiloe noe salĕgĕr keneh digodog, toeloej ditiiskeun. Di mana geus tiis, dagingna djeung ĕndogna, moen aja, dikaloearkeun; tapi daging tina djĕro boentoet, soekoe djeung panjapit, koedoe dipisahkeun djeung daging beuteung nja kitoe deui djeung ĕndogna tea. Sadiakeun tjisop-daging atawa tjisop-hajam saeutik.

Toeloej njokot bawang gĕde tiloe sihoeng, disiksik sing lĕmboet, [ 99 ]digoreng koe mantega sing nĕpi ka beureum. Daging awak djeung ĕndogna tea dibĕbĕk sing lĕmboet dina loeloempang, toeloej ditjampoerkeun djeung goreng bawang tea, make tipoeng sakeupeul kakara dikana-tjisopkeun noe beunang njadiakeun tea, ti dinja diasakkeun, kira² meunang satĕngah djam. Moen ĕnggeus, toeloej disaring dina sedjen parioek noe bĕrĕsih sarta ditjampoeran daging boentoet djeung daging soekoe noe dipisahkeun tadi tea, beunang njatjag.

Toeloej tjampoeran tjabe saeutik djeung oejah, atawa make anggoer Madeira doea gĕlas, haneut-haneut diampihan.

Sop-tirĕm.

Sadia sop tjara pikeun sop hoerang; toeloej njokot tirĕm 200 siki, dikaloearkeun, disaring sarta dipitjeunan djanggotna, tiiran koe biting tjara sate, digodogna djeung biting-bitingna, moen geus asak, tirĕm katoet paniirna diabroekkeun kana beubeureum ĕndog djeung kana tipoeng, geuwat goreng; moen ĕnggeus, didjait, dikeureutan, bitingna dipitjeun. Ti dinja tirĕmna diteundeun dina wadah sop, ditjitjian sop, noe beunang njadiakeun tadi tea, noe beunang njampoeran koe tjitirĕm sarta toeloej diasakkeun deui.

Lalawar.

Daging ditjatjag ditjampoeran ladja beunang njiksik; bawang beureung katoentjar-djintĕn djeung oejah, dikĕtjĕran djĕroek mipis sarta digalĕj sing hade; saĕnggeusna diembohan deui goreng bawang, tjabe djeung tarasi, digalokeun sing galo pisan, toeloej diasakkeun make tjai nĕpi ka ngagolak doea kali, kakara didjait.

Sambĕl goreng.

Tjabe djeung bawang atawa sereh disiksik, digoreng djeung hoerang garing (oedang-kĕring); di mana geus asak ditjampoeran tarasi djeung tjiasĕm, toeloej digoreng deui.

Sambĕl badjag.

Njokot tjabe 40, sikina dipitjeunan, dirieus sing lĕmboet make moentjang 40 siki; toeloej toemis. siksikan bawang beureum djeung bawang bodas: lamoen geus satĕngah matĕng ditjampoeran tjabe djeung moentjang beunang ngarieus tea, ditambahan sereh, daoen salam, daoen djĕroek-poeroet djeung tjipati noe kimpĕl, toeloej diasakkeun, nĕpi ka kaloear minjakna. [ 100 ]

Kari djěpang.

Njokot hajam lintoeh, diteukteukan toeloej diolahkeun; ngan dadana dipisahkeun, teu diolahkeun, tapi ditjatjag djadi parakědel boengboena katoentjar djeung djintěn, beunang ngagoreng djeung daoen petěrseli djeung daoen bawang ngora, beunang njatjag atawa njiksik, pěděs, oejah djeung tjidjěroek mipis, toeloej parakědel tea didjieun parakědel laleutik, digoreng koe gadjih hajam atawa koe mantega; kaldoena diolahkeun deui make lalab-lalaban: kol, lobak, boentjis, katjang, polong ngora, iwoeng, daoen bawang, bawang-beureum beunang njiksik sapiring, pala, tjěngkeh, kěmbang pala,pěděs, oejah, ketjap, djěroek-mipis; lamoen hajamna geus asak, kakara eta kabeh ditjampoerkeun djeung parakédel laleutik tea, diasakkeun deui něpi ka ngagolakna.

Bobotok iwoeng.

Mimitina iwoengna dikeureutan lalěmboet, toeloej digodog, moen ěnggeus toeloej njatjag daging sing lěmboet; boengboena, katoentjar djintěn, pěděs, daoen djěroek-poeroet, sereh, ladja, djahe, bawang, moentjang, kalapa, beunang meuleum, kalapa beunang maroed, djeung kKalapa atah saeutik, sangraj kabeh něpi ka eta kalapa asak, toeloej djeung bawang teh ditoemis, make tjai djeung goela saeutik, kakara didagingan, toeloej diboengkoesan koe daoen tjaoe, ditjipatian, toeloej diasakkeun něpi ka kěntěl, kakara dioejah-asém.

Toge(taugee).

Njokot takoah (tahoe) dikeureutan kandělna satjoeroek² digoreng koe mantega népi ka beureum, toeloej diangkat ditliskeun; njokot tjabe, djahe, ladja, bawang-beureum saeutik, jeu kabeh disiksik sing lěmboet ditoemis make mantega, di mana rek mimiti beureum, ditarasian, ditaoetjoan sasendok makan, ditjampoerkeun djeung boengboe tea djeung eta takoah, toge djeung oedang kěring beunang ngeueuman, atawa djeung hoerang atah beunang ngagodog beunang ngalaan sisitna, oepama katjangna geus lajoe. Njokot ěndog tiloe, peupeusan, tjampoerkeun djeung angeun tea, lamnen rek didahar, dipédésan saeutik di loehoerna.

Atjar iwoeng.

Njokot iwoeng, pěsek, koembah sing běrěsih, keureutan; sadia parioek heunang njnian saeutik, {woengna abroeskeun ka dinja, godos, ngagolak sakali didjait, těroes pofkeun sing garing; [ 101 ]boengboena: bawang-beureum, bawang-bodas, djahe, moentjang, konen tjabe, eta kabeh diběběk make oejah něpi ka lěmboet pisan, toelo digoreng nĕpi ka koneng, tjitjian tjoeka sabotol, tagogkeun de sarta diseuneuan, ngagolak sak ali, didjait, ditiiskeun, kakara Iwoer teh diabroeskeun ka dinja.

Poding soekoen.

Soekoen dikoeloeb, toeloej ditoetoean sing něpi ka lěmboet, toelo njokot ĕndog diadoek djeung tjisoesoe, goelaan saeutik; kakara asakkeun dina tjitakanana, saosna mah biasa poding tea bae.

Loba djĕlĕma anoe ngarasa: di alam doenj pagawean anoe panghese-hesena teh oelah so woeraek-open, lian ti ngoeroes gawe manel sarta ngoeroesna, koedoe kalawan nastiti.

[ 102 ]

26. KAPERLOEAN DJOEROE-TANI.

a. MELAK KARET.

Ngoeroesna siki karet (hevea zaad).

  1. Siki karet anoe ngagolerna dina taneuh geus leuwih ti 24 djam. oelah dipoeloengan.
  2. Ngampihanana siki oelah ditěmbrakkeun bae, koedoe ditoeroeban, bisi garing, djeung oelah kapoë deuih.
  3. Sabisa-bisa, eta siki koedoe gantjang deděděr dena heuleuran noe bakoe.
  4. Oelah rek ngampihan siki karet atawa ngirimkeun, diwadahan koe kelěr anoe toeroeban atawa diwadahan koe kaleng anoe ditoetoep něpi ka rekep pisan.
  5. Lamoen rek ngirimkeun siki, koedoe diwadahan koe pěti anoe wěděl, ti djěrona dikěpoet koe kěrtas djepang atawa kertas boengkoes noe kasar.
  6. Dina waktoe rek dipětlanana, koedoe diawoeran arěng beunang noetoean atawa tapas beunang njatjag.
  7. Dina waktoe diasoepkeunana kana pěti tea, kěrtas panglampoedna djeung arěng atawa tapas tea, koedoe baseuh. Koedoe dihadja dikepretan koe tjal meueusan.
  8. Oepama meuli siki, koedoe milih noe asalna tina tangkalan noe sěgěr, koeat djeung sěděng kolotna, oelah noe ngora teuing.
  9. Binih karet anoe geus baris dipělakkeun, di pabinihanana, koedoe 5 něni ka 12 boelan.
  10. Děděran noe ngora keneh, dina tengah poë, koedoe diijoehan.

Mělakna.

Kěbon karet koedoe lenang, oelah aja djoedjoekoetan djaradi. Lamoen eta kěbon diběrěsihan saboelan doea kali, di oerang, di poelo Djawa, ongkosna dina sabaoe ƒ 15.

Dina njadapna koedoe ati2 katjida, nja eta koedoe didjaga pisan, soepaja sanggeus 4 tahoen, koelit teh běněr deul. Lamoen dina tangkal bidjil boengkoel, koedoe dipitjeun, ari dina tapak ngeureutna koedoe ditoetoep koe malam sarta těroes dioelasan koe tai sapi.

Děmi waktoena karet beunang disadap, nja eta di mana gědena tangkal, lěbah 1 M. saloehoereun taneuh, geus boga boeleudan 35-45 c.M.

Ari atoeran njadapna anoe ajeuna didjalankeun koe sarerea, njadap toehoer, hartina hěnteu make ditjaian deui; boh dina bak panandeanana, boh dina keureutanana, hěnteu aja noe [ 103 ]ditjaian. Lamoen geutah teh kaboeroe toehoer, noe dipake ngomean nja eta natriumsulfiet atawa formaline. Dina masak karet, obat noe panghadena pikeun ngimpĕlkeun nyaeta tjoeka bibit (azijnzuur). Eta tjoeka bibit ditjampoeran tjai něpi ka 5% tjoeka tjampoeran. Ari prak-prakanana, anoe 30 Gram teh pikeun 100 Liter. Dina njieun karet-crêpe, nja eta karet lambaran noe aripis tea, lamoen hajang rata roepana djeung rata herangna, koedoe make natriumbisulfiet. Njokot 1 Liter anoe 2% tjampoeran, eta pikeun geutah 20 L atawa ¼ KG tipoeng natriumsulfiet, kana tjaikeun 5 Liter, tah eta meudjeuhna keur geutah 200 L. Děmi pětana kieu: eta natriumbisulfiet ditjampoerkeun kana karet tea, toeloej digoeis sing katjida, ti dinja kakara ditjitjian koe tjoeka tea.

b. TATANENNA OERANG PRIBOEMI.

Sawah beubeunanganana dina sabaoe 4-70 pikoel, gitik ratana 26 pikoel pare. Pare anoe aloes, beasna leuwih ti satěngahna beuratna pare, malah aja noe něpi ka 60%. Ari pare noe goreng mah, dina sapikoel teh, beasna 25 kali. Děmi hoema di Djawa-Koelon djeung di basisir Poelo-Djawa beulah ti kaler, dina sabaoe teh, rata² meunang 13 pikoel; anoe panghadena bisa něpi ka meunang 18 pikoel, nja eta hoema² di bawahan Karawang; anoe panggorengna, hasilna ngan oekoer 6 djeung 8 pikoel nja eta pahoemaan di Rěmbang, Soerabaja djeung Madoera.

  Djagong dina sabaoe ..........   10    à   12000 djantoeng.
  Bako     "     "    ..........                 5 pikoel.
  Sampeu   "     "    ..........  100 něpi ka   250 pikoel.
  Soeoek   "     "    ..........   20 něpi ka    40   "    garing.
  Katjang kadele dina sabaoe ...    6 něpi ka    14   "    
  Hoei             "    "    ...   50 něpi ka   150   "    
  Djarak           "    "    ...    6 něpi ka    15   "    (siki).
  Taroem           "    "    ...   25 něpi ka    40   "    (daoen).
  Tiwoe            "    "    ...  350 něpi ka   900   "    tiwoe, 
                                  pigoelaeunana koerang-leuwih 10%.
  Widjen           "    "    ...                  7 pikoel (siki).
  Koemeli          "    "    ...   25 něpi ka    75  " 
  Engkol           "    "    ... 3000    à     4000 hoeloe. 

c. PALAWIDJA.

Lamoen sawah geus dipiboeatan sarta pare geus diakoet, biasana sok toeloej dipalawidjaan, anoe oemoerna sakira 3-4 boelan, hartina

103

[ 104 ]di djěro sakitoě teh geus kaala hasilna, soepaja di mana geus tempona eta sawah diparean deui, palawidjana geus kaala kabeh, djadi teu djadi halangan kana njawah. Mimindĕngna tara salĕgana sawah dipalawidjaan, ngan sabagianana bae, dipilih anoe panghadena keur palawidja tea. Samemehna tjĕb dipĕlakan, dipolah heula apik pisan, diwoeloekoe atawa dipatjoel, toeloej dirarata koe garoe.

Koe daek malawidja teh noe tani bisa tambah pangasilan toer kana sawah matak tambah hade, da goenta-ganti noe dipĕlak. Sawah noe hiroep tjaina, sok dipalawidjaan koe djagong, taleus, bonteng, terong, katjang kadĕle, tjabe, katjang djeung sapapadana. Ari di tĕgalan, noe dipĕlak teh nja bangsa eta keneh, ngan tara diparean. Djadi palawidja teh, hasil boemi salian ti pare. Koe ahli tani palawidja teh dibagi tiloe roepa, nja eta: a. pala kapĕndĕm tĕgĕsna bangsa beubeutian, saperti: taleus, koemeli d.s.t. b. pala goemantoeng hartina noe diarah boeahna, tjaraning terong djeung sapapadana. c. pala kasimpar nja eta anoe boeahna ngagaloler dina taneuh, kajaning: bonteng, waloeh djeung noe saroepa kitoe.

d. MELAKAN LALAMPING.

Lalamping biasana sok make lelempeng; nja beunang oge disĕbaran sisikian, tape lamoen rek disĕbaran kitoe mah, eta lalamping teh koedoe njangsaja, sabab koedoe aja koelit taneuh anoe moeroehpoej, kandĕlna doea-tiloe c.M. Dina lalamping anu nĕtĕk ngan beunang dipĕlakan bangsa djarong djeung sapapadana, kitoe ge koedoe ngahadja njieun rorakan. Di Djawa lalamping teh sok dipĕlakan djoekoet rakĕt, eta watĕkna mageuhan taneuh; atawa sok oge dipĕlakan kaso djeung eurih, tapi hade soteh dipĕlakan eurih oepama euweuh pĕpĕlakan anoe deukeut ka dinja. Salian ti koe bangsa kitoe, hade oge dipĕlakan dadap-tjangkring djeung bangsa awi.


e. PIKOEL DIKILOGRAMKEUN DJEUNG SABALIKNA.

Pikoel K.G. K.G. Pikoel
1 61,761 1 0,0161
2 123,522 2 0,032
3 185,283 3 0,048
4 247,045 4 0,064
5 308,806 5 0,080
6 370,567 6 0,097
7 432,328 7 0,113
8 494,090 8 0,129
9 555,851 9 0,145
[ 105 ]

OEKOERAN LEGANA.

Hectare Bahoe Bahoe Hectare
1 1,409 1 0,709
2 2,818 2 1,419
3 4,227 3 2,128
4 5,636 4 2,838
5 7,045 5 3,548
6 8,454 6 4,257
7 9,864 7 4,967
8 11,273 8 5,677
9 12,682 9 6,386

g. MIARA DJEROEK.

Oerang oelah mĕlak djĕroek sikina, koedoe tjangkokanana atawa seler-djieun (afleggers). Tjarangna mĕlakkeun tjangkokan koedoe 15 kaki. Dina oemoer 4 atawa 5 tahoen, pĕlak djĕroek teh geus mimiti diadjar boeboeah; sanggeus oemoer 15 tahoen, di dinja boeahanana leuleubeutna, pangasilanana dina satangkalna ti 300 nĕpi ka 700 hoeloe. Ari gĕmoek djĕroek anoe pangaloesna, nja eta kapoer djeung potasch.

h. NGABIBIT KOEDA.

(Volkslectuur 258a).

Hal ngabibit koeda koe oerang Soematra katjida pisan digĕdekeunana, babakoena pisan di Padang-Darat djeung di Batak; ari di Poelo Djawa anoe loba noe ngabibit koeda pang-pangna di Priangan; lian ti di dinja, di Kĕdoe, Pasoeroean, Basoeki djeung salian ti eta. Di kapoeloan Soenda-Leutik deuih, lian ti Bali djeung Lombok mah, noe ngagalĕdekeun ngabibit koeda teh. Nja kitoe deui di Sĕlebĕs. Dina ieu almĕnak hĕnteu rek ditjaritakeun hal babadna ngabibit di oenggal nagara, sabab sapĕrkara kapandjangan teuing, kadoea taja pedahna. Ngan anoe pĕrloe ditjaritakeun teh, eta, loba koeda anoe malashoer aloesna, ajeuna geus teu araja, geus leungit; lantaran loba teuing anoe dikaloearkeun ka sedjen tĕmpat, ari piaraan djeung ngabibitna hĕnteu dioeroes bĕnĕr-bĕnĕr. Kaaloesanana koeda Batak djeung koeda Makasar geus roeksak, sabab oenggal tahoen mĕroel bae koeda dikaloearkeun ka oenggal nagara; hĕnteu aja pisan atoeran ngingkeun pamatjĕk djeung bibit [ 106 ]anoe araloes saperloena, soepaja di dinja oelah něpi ka kakoerangan pikeun ngabibit.

Ajeuna oerang daḍarkeun hal kaajaanana ajeuna, nja kitoe deul hal ngabibitna.

Ari atoeran ngabibit koeda anoe ajeuna didjaralankeun, aja doea roepa; kahidji ngabibit koeroengan, kadoea ngabibit aboeran.

Děmi ngabibit tjara atoeran noe kadoea, si bibit djeung pamatjěkna diaboer bae sakarěp-karepna, ngaboeboeban. Ari pamatjěkna aja anoe ngahadja beunang milih, aja anoe henteu. Ngabibit aboeran anoe teu pisan dioeroes, estoe diantěp sakarěpna, tjara sato leuweung, atoeran kitoe, ajeuna beunang diseboetkeun geus teu aja; anoe ajeuna aja keneh teh, ngabibit satengah aboeran, tjara di Poelo Soemba. Di dinja, koeda, tara dipiara tara dikandangkeun, diaboer bae. Dina satahoen sakali eta koeda digiringkeun kana hidji těmpat anoe dipagěr; di dinja dipilih anakna anoe djaloe, anoe leuwih ti kapěrloean maranehanana, ari anoe teu ditjokot mah toeloej dikentjarkeun deui bae. Ngabibit anoe kitoe atoeranana, ngan woengkoel millh anakna bae.

Lamoen heug anakna noe bikang dipilih deuih, sarta anoe koerang aloes keur pibibiteun didjoeal, tangtoe eta atoeran tambah hade. Tah, sakitoe oge hal ngabibit anoe kitoe atoeranana mah geus meudjeuhna, henteu pěrloe ditjaritakeun leuwih pandjang, da teu aja pikiraneunana. Anoe rek didadarkeun leuwih pandjang, nja eta hal ngabibit koeroengan, anoe didjaralankeun di Padang Darat, di Priangan djeung lianna ti eta.

Geura ajeuna oerang njaritakeun hal atoeran ngabibit anoe dilalampahkeun di Priangan. Geus sababaraha taboen lilana aja roepa-roepa koeda dika-Priangankeun keur bibit, kitoe deui loba pisan djaloena keur pamatjěk. Tjampoeranana eta roepa-roepa koeda anoe geus tahoen-tahoen něrěkab di Priangan, nja djadi koeda Priangan. Koeda Priangan, leuwih djangkoeng djeung leuwih gede manan koeda Hindia anoe sedjen. Geus doeapoeloeh tahoen ka toekang lilana, Gouvernement geus ngahadja neundeun pirang koeda Sanděl di hidji bagian Tanah Priangan; ajeuna mimiti di dinja bangoenna koeda, boga bangoen sorangan anoe tětěp. Ngan handjakal koeda paranakan anjar, henteu galede tjara anoe ti heula-heula. Ajeuna karesa plsan koetjiwana eta koeda teh, nja eta koerang gede tea, lantaran beuki lila beuki loba bae anoe nareangan koeda galede, baris koeda-adoe. Sakabeh toekang ngabibit geus hariděng nareangan pamatjěk anoe gěde, sarta Pamarentah ngabantoe pisan kana karep oerang Priangan, mangneangankeun keur pipamatjěkeun. Anoe kapilih poney Australia toelen, sabab koeda Australia teh nja gěde nja bisa ngajakeun sapěrloena; ari koeda Arab mah teu bisa meuli loba, saperloena. Anoe ngabaribit [ 107 ]Meuenang matjěkkeun koedana ka pamatjěk Gouvernement, bajaranana moerah pisan.

Ngahadja ngajakeun koeda anoe djangkoengna 1.40 népi ka 1.50 M., keur koeda toenggang, koeda kareta kapělěsiran djeung koeda adoe.

Sallan ti dinja pěrloe ngajakeun koeda laleutik leuwih loba, keur koeda gawe, pikeun mawa barang djeung narik kahar, nja eta anoe hargana teu pati mahal djeung piaraanana leuwih moerah. Koeda bangsa ieu mah aja anoe didatangkeun ti redjen nagara, aja anak di dinja bae. Ari ngabibitna dipasrahkeun ka oerang Priboemi bae anoe henteu marampoeh, sakoer anoe daraek ngabibit di patěmpatan anoe moerah keneh djeung babari plaraanana. Lamoen anoe ngabibit koedoe meuli djoekoet, djeung taja sawah keur ngaboer koeda dina roempak djami sangkan teu loba teuing ongkosna, tangtoe pisan moal bisa ngabibit koeda, anoe anakna dina oemoer 3 tahoen ngan pipajoeeun ƒ 100 něpi ka ƒ 200. Koe hal eta pangbibitan koeda bangsa ieu, beuki lila beuki kasěděkkeun ka pasisian, ngadjaoehan tempat anoe rarame djeung erpah'. Pikeun pamatjekna, Gouvernement ngabantoe ngaajakeun pamatjěk anoe rada. laleutik.

Ari ngablbit koeda galěde mah, teu aja halanganana nake ongkos oge, darapon henteu gěde teuing bae, da anakna anoe oemoer tahoen teh bisa pajoe ƒ 400 něpi ka ƒ 600. Anoe niat ngabfolt koeda pantar leu, koedoe boga modal rada gěde, sabab hargana bibitna djeung pamatjěkna, mahal, sarta ongkos miarana teu beunang disaeutik-saeutik. Tatapi tangtoe entoeng bae ngabibit koeda galède kieu mah, asal eta bae ngoeroes anakna tea dienja-ěnja.

Děmi atoeran anoe pangsenangna, nja eta lamoen anoe ngabibit tea koedoe make koeda, saperti bangsa kapala Priboemi djeung kapala-kapala desa, da geuning galibna pěrěloe marake koeda. Koeda biblt tea beunang dipake koe manehna keur lakoe gawe, tapi dina pidoea-boelaneun kana ngadjoeroe djeung doea boelan dina saĕntasna ngadjoeroe, oelah rek dipake kana gawe beurat. Dina waktoe eta, bibit teh koedoe dikentjar, kitoe deul engke anakna koedoe ngentjar. Koe sabab eta, deukeut desa pěrloe pisan aja tanah kosong anoe dipagěr, nja eta baris těmpat ngentjarkeun bibit anoe reuneuh tea djeung bibit anoe anjar ngadjoeroe katoet anakna tea. Eta tanah teu pèrloe tanah lendo, da lain disina njatoean di dinja eta koeda teh; ari hakanna mah kapan dibere di istal saperloena; eta mah ngan woengkoe! tanah keur ngentjar bae, sapoëna kira sadjam atawa doea djam illana. Ari eta nepama di dinja aja djoekoetan, dihakan koe koe la sadjambret-djambrěteun. nja teu naon-naon, tapi ngajakeunana eta těmpat teh lain ka dinja maksoedna.

Anoe pěrloe, eta tanah teh koedoe rada loehoer, légana koerang-leuwih doea baoe. Sore-isoek eta bibit dikentjar di dinja, sarta [ 108 ]sabot indoengna dipaké, anakna diantěp ngentjar di dinja. Těgai anoe kitoe, gěde pisan gawena, komo keur ngentjar anakna mah lain dikieuna pěrloena. Oepama euweuh těgal pikeun tempat ngentjarkeun anak koeda, anggoer oelah bae ngabibit, sabab geus tangtoe roegi.

Kadjaba ti eta, anak koeda teh lain ngan koedoe dlbere djoekoet bae, tapi përloe dibere parab sedjen, kajaning hoeoet, da di Priangan mah loba hoeoet teh toer hargana moerah. Ari marabkeunana didjieun kokombong, dina sapoë dibere doea kali.

1. ATOERAN NGAMPIHAN PARE.

Meureun sarerea oge geus pada terang, jen pare teh beunang diampihan moelan-malen, malah ana hade ngampihanana mah něpi ka tahoen-tahoen. Ar! anoe diseboet „hade ngampihanana" teh, nja eta parena hade djeung tempat ngampihanana hade deuih.

Hal parena.

Pare ampihaneun aja doea roepa:

a. pare dahareun;

b. pare pibiniheun.

Ajeuna oerang tjaritakeun hal pare dahareun heula.

a. Dipiboeatanana koedoe geus asak énja, sarta moëna koedoe toehoer pisan. Soepaja tereh toehoer, pare bondotan teh koedoe ditoempoek heula meunang 2 něpi ka 4 poě liiana; gědena toempoekanana: goerat-tengahna 1½ M., loehoerna kira 2 M. Koe ngělěkěbna, eta pare gantjang garingna.

Sakapeung sanggeus ditoempoek sakitoe poë teh, koe didaraj sakali oge dina hade poena, eta pare geus toehoer. Tapi mindeng oge henteu tjoekoep koe sakali ngadaraj bae, koedoe rada mindeng, djadi koedoe aja 3-4 poëna deui. Pendekna, eta pare teh koedoe dipoë něpí ka toehoer běněr". Geus kitoe kakara hade dipotjong sarta digeugeus. Ti dinja kakara toeloej dika-leuitkeun.

Lamoen pare tea tatjan toehoer běněr, tapi geus dipotjong atawa geus digeugeus, koe oerang koedoe dipoe deui. Ari pětana moëna, lamoen parena anoe perloe ditoehoerkeun teh, diteundeunna koedoe dibalikkeun; nja eta sapoena ti handap, pare ti loehoer slna meber tjara kepět. Lamoen hajang noehoerkeun sapoena, pare ti handap sina namprak, sarta oepama pěrloe, pangkekna koedoe dikěndoran, mambrih panasna poë asoep ka djěro. Atoeran moě kieu teh sok dipětakeun oge dina moë pare anoe geus boelan di leuit baseuh koe kabotjoran, atawa rada baseuh lantaran di leuit koerang hawa.

Pare anoe henteu asak běněr, atawa anoе asakna goreng lantaran goreng mangsa, boh lantaran keuna koe hama atawa dipiboeatanana [ 109 ]dina keur. ngidjih, pare bangsa kieu teu beurang diampihan lila-lila. Leuwih hade diampihanana dipisahkeun, sarta měnding geuwat ditoetoe bae. Lamoen loemboeng nampa pare anoe tatjan toehoer běněr, tapi parena hade, eta pare koede dipoè deul. Anoe pěrloe plsan sapoena koedoe toehoer běněr.

Pikeun pare anoe henteu digeugeus, atawa anoe dipiboeatanana henteu djeung — sapoena di sawatara tempat aja pare anoe babari pisan moerag — atoeran anoe kaseboet di loehoer, babakoena maksoedna eta atoeran, beunang dipětakeun. Eta pare koedoe diwadahan dina tělěboeg atawa dikuroengan, toeloej dika leuitkeun; biasana sanggeusna rengse miboeatanuna, djoeroetani geus teu boga deui pigaweeun, eta pare anoe rada baseuh anoe dlampihan di leuit tadi tea, koedoe dipoe deui. Di leuitna oelah lila-lila, koedoe gantjang dipoe deui, sabab lamoen samemeh dipoe deui tea, di leuitna lila teuing, eta pare sok djadi goreng. Komo lamoen dipiboeatanana tatjan asak běněr mah. Pare anoe asak běněr sarta dipiboeatanana měněran halodo; henteu matak salěmpang bisi roeksak. Tapi keur miara kahadeanana, eta pare teh pěrloe pisan rada lila dipoëna, kira-kira 5 něpi ka 10 poě ti satikna dipiboeatan. Sarta hade pisan, lamoen hade poĕna, dina saboelan sakali eta pare ditoeroenkeun ti leuit, dipoë. Tapi lamoen eta pare anoe dina tělěboeg atawa dina karoeng teh geus djadi bangsal kabeh, sarta toehoer ĕnja, teu pěrloe dipoe deui oenggal boelan.

b. Pikeun pare dahareun henteu aja matakna kakělěkĕban oge di leuit, malah aja hadena kana nambahan toehoerna; tapi kana pare pibiniheun, eta ngělěkěh kitoe teh koerang hadena. Panas di djěro toempoekan pare anoe rada baseuh, sakapeung sok panas teuing, datang ka matak teu hade kana mataměndangna. Ari aloesna, pare pibiniheun mah diampihanana oelah pabaoer djeung pare dahareun, djeung dina sawatara po koedoe dihear-hear saban isoek, hadena pisan oelah rek liwat ti poekoel 9 atawa 10: atoeran moë kitoe teh, biasana, něpi ka 5 poĕ lilana, malah mimindèngna mah leuwih lila ti sakitoe, tapi keur pibiniheun, leuwih hade diatoer kitoe, oelah tjara moe pare dahareun (¹)[3] Ari ngampihanana pare pibiniheun, hadena, koedoe ngegoendoek pare pibiniheun bae, oelah pabaoer djeung pare dahareun tea; ari atoeran anoe aloes, kieu: eta pare diteundeunna, di tengah-tengah, hartina ti gigir, kentja-katoehoe, ti hareup ti toekang, nja kitoe deui ti loehoer djeung ti handap, koedoe kakoebeng koe pare dahareun tea; pambrihna soepaja oelah koe beurit atawa koe bangsa lege


[ 110 ]sabot Indoengna dipakė, anakna diantěp ngentjar di dinja. Těgal anoe kitoe, gede pisan gawena, komo keur ngentjar anakna mah lain dikleuna përloena., Oepama euweuh tegal pikeun tempat ngentjarkeun anak koeda, anggoer oelah bae ngabibit, sabab geus tangtoe roegi.

Kadjaba ti eta, anak koeda teh lain ngan koedoe dibere djoekoet bae, tapi perloe dibere parab sedjen, kajaning hoeoet, da di Priangan mah loba hoeoet teh toer hargana moerah. Ari marabkeunana. didjieun kokombong, dina sapoë dibere doea kali.

i. ATOERAN NGAMPIHAN PARE.

Meureun sarerea oge geus pada terang. Jen pare teh beunang diampihan moelan-malen, malah ana hade ngampihanana mah něpi ka tahoen-tahoen. Ari anoe diseboet „hade ngampihanana" teh, nja eta parena hade djeung tempat ngampihanana hade deuih.

Hal parena.

Pare ampihaneun aja doea roepa:

  1. pare duhareun;
  2. pare pihiniheun.

Ajeuna oerang tjaritakeun hal pare dahareun heula.

a. Dipiboeatanana koedoe geus asak ěnja, sarta moëna koedoe toehoer pisan. Soepaja tereh toehoer, pare bondotan teh koedoe ditoempoek heula meunang 2 nëpi ka 4 poë lilana; gedena toempoekanana: goerat-tengahna 1½ M., loehoerna kira² 2 M. Koe ngělěkěbna, eta pare gantjang garingna.

Sakapeung sanggeus ditoempoek sakítoe poë teh, koe didaraj sakali oge dina hade poëna, eta pare geus toehoer. Tapi mindeng oge henteu tjoekoep koe sakali ngadaraj bae, koedoe rada mindeng, djadi koedoe aja 3-4 poena deui. Pendekna, eta pare teh koedoe dipoě něpi „ka toehoer běněr". Geus kitoe kakara hade dipotjong sarta digeugeus. Ti dinja kakara toeloej dikaleuitkeun.

Lamoen pare tea tatjan toehoer běněr, tapi geus dipotjong atawa geus digeugeus, koe oerang koedoe dipoë deui. Ari pětana moëna, Jamoen parena anoe perloe ditoehoerkeun teh, diteundeunna koedoe dibalikkeun; nja eta sapoena ti handap, pare ti loehoer aina meber tjara kěpět. Lamoen hajang noehoerkeun sapoena, pare ti handap sina namprak, sarta oepama pěrloe, pangkekna koedoe dikěndoran, mambrih panasna poë asoep ka djěro. Atoeran moe kieu teh sok dipětakeun oge dina moë pare anoe geus boelan² di leuit baseuh koe kabotjoran, atawa rada baseuh lantaran di leuit koerang hawa.

Pare anoe henteu asak běněr, atawa anoe asakna goreng lantaran goreng mangsa, boh lantaran keuna koe hama atawa dipiboeatanana [ 111 ]dina keur ngidjih, pare bangsa kieu teu beurang diampihan lila-lila. Leuwih hade diampihanana dipisahkeun, sarta měnding geuwat ditoetoe bae. Lamoen loemboeng nampa pare anoe tatjan toehoer běněr, tapi parena hade, eta pare koedo dipoe deui. Anoe pěrloe pisan sapoena koedoe toehoer běněr.

Pikeun pare anoe henteu digeugeus, atawa anoe dipiboeatanana henteu djeung sapoena — di sawatara tempat aja pare anoe babari pisan moerag — atoeran anoe kaseboet di loehoer, babakoena maksoedna eta atoeran, beunang dipětakeun. Eta pare koedoe diwadahan dina tělěboeg atawa dikaroengan, toeloej dika-leuitkeun; biasana sanggeusna rengse miboeatanana, djoeroetani geus teu boga deui pigaweeun, eta pare anoe rada baseuh anoe diampihan di Jeuit tadi tea, koedoe dipoë deui. Di leuitna oelah lila-lila, koedoe gantjang dipoe deui, sabab lamoen samemeh dipoë deui tea, di leuitna lila teuing, eta pare sok djadi goreng. Komo lamoen dipiboeatanana tatjan asak běněr mah. Pare anoe asak běněr sarta dipiboeatanana měněran halodo; henteu matak salěmpang bisl roeksak. Tapi keur miara kahadeanana, eta pare teh pěrloe pisan rada lila dipoëna, kira-kira 5 něpi ka 10 poë ti satikna dipiboeatan. Sarta hade pisan, lamoen hade poëna, dina saboelan sakali eta pare ditoeroenkeun ti leuit, dipoë. Tapi lamoen eta pare anoe dina tělěboeg atawa dina karoeng teh geus djadi bangsal kabeh, sarta toehoer enja, teu pěrloe dipoë deui oenggal boelan.

b.Pikeun pare dahareun henteu aja matakna kakělěkěban oge di leuit, malah aja hadena kana nambahan toehoerna; tapi kana pare pibiniheun, eta ngělěkěb kitoe teh koerang hadena. Panas di djero toempoekan pare anoe rada baseuh, sakapeung sok panas teuing, datang ka matak teu hade kana mataměndangna. Ari aloesna, pare pibiniheun mah diampihanana oelah pabaner djeung pare dahareun, djeung dina sawatara poë koedoe dihear-hear saban isoek, hadena pisan oelah rek liwat ti poekoel 9 atawa 10: atoeran moe kitoe teh, blasana, něpi ka 5 poë lilana, malah mimindèngna mah leuwih lila ti sakitoe, tapi keur pibiniheun, leuwih hade diatoer kitoe, oelah tjara moë pare dahareun (¹).[4]

Ari ngampihanana pare pibiniheun, hadena, koedoe ngagoendoek pare pibiniheun bae, oelah pabaoer djaung pare dahareun tea; ari atoeran anoe aloes, kieu: eta pare diteundeunna di tengah-tengah, hartina ti gigir, kentja-katoehoe. ti hareup ti toekang, nja kitoe deui ti loehoer djeung ti handap, koedoe kakoeběng koe pare dahareun tea; pambrihna soepaja oelah koe beurit atawa koe bangsa lege

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}} [ 112 ]laleutik djeung sapapadana, sarta oepama leuitna botjor, eta pare hĕnteu kabotjoran; kitoe deui soepaja oelah djoldjol katjokot bae koe euwah-euwah anoe maling pare. Ngarah eta pare oelah pahili djeung pare dahareun; geugeusanana koedoe aja tjirina.

Atoeran panjimpĕnanana.

Sakabeh panjim pĕrjait .pare, koedoe ' t t e n o e r djeung b 1 o e n gb l a n g , s a rta koedoe d la to er,'jsangkpnH jeu rit d jeung m anoek oelah ng ag ak sak kan a pare. Tgrapat^Jlgum plhan pibinlheun koedoe f is deuih. Anoe dipuke panjlm pĕnant 1 . L ' e u l l Bangoenna. d jeung p ëta-p étan a leuit. aarerea oge geus ta rë ra n g ; djad i tin a h al ieu teu koedoe d itjarltak eu n deui. Rea tëm pat 1 anoe roem aw at pisan k a n a leu it, b arêrësih d jeung warëdël deuih, tap i rea deui tĕm pat anoe d jëlëm an a teu p ati daraek ngoeroes leuitna, k alotor; m alah sok dlparake ngam plhan bangsa ro e ta k -ra te k , tja ra n in g : k a l anoe bob©. awl djeung: sapapadana. M oega djadi pepeling. je n leu it teh dina oenggal tahoen, koedoe dibërësihan tl loear ti djĕro, m aslng nëpi k a bërësih pisan; sa rta lam oen përloe koedoe diomean. A ri leu it anoe fe u s bobo koedoe. dlganti. D jeun g deui oetam a pisan, dina sam em ehna pare a n ja r d ika-leuitkeun, pare anoe heubeul koedoe ditoeroenkeun heula, s a rta e ta pare noe geus nahoen kitoe, oelah ditjam poerkeun d jeung pare a n ja r, s a rta samemeh m ake pare a n ja r, leuw ih hade noetoe heula pare nahoen tea. Kaw oewoeh ato eran k itoe teh, oerang bisa ngan jah ok eu n leuw lhna pare dina satah oen -satah oen n a. D jeung deui s a g a la bangsa b oetrak-bëtroek d jeung ro eta k -ra te k , teu m eu­ nan g diam pihan dl leuit a ta w a dl plplr leu it, leu it m ah koedoe ngan keur ngam pihan srl bag. Sakoerllin g leu it koedoe barërëslh, oelah rek dlantep a ja ta ta n g k a la n deukeut leu tt, d atan g k a dahanna a ra n tël k a n a hateup na a ta w a blllkn a, a ta w a ng aro jom k a leu it: n ja k ito e deui sa g a la barang, oelah rek dlteundeun di plpirna ataw a dl kolongna. sab ab e ta oge m a ta k djad i tjo e k a n g beu rit paran tl asoep k a leuit. 2. G o e d a n g , l o e m b o e n g - d e s a a t a w a l o e m b o e n g k o e p ë r a B i b iaean a sok leuwih lohaga m annn leuit. Noe kieu oge t ja r a leuit tiae, koedoe dlbĕrĕsihan saban tahoen. Goedang. b ia s a n a sok m ake tatap ak an , blllkna koe aw l a ta w a rad jeu n oge d lgĕbjog (lam oen rek dlgôbjog, hadena koedoe koe d ja ti; k a i anoe b ab ari bobo oelah dipake). O epama keur ngagoedangan pare dahareun, h ad ena hateup na koe seng, sa b a b : sap ĕrk ara koe seng teh ta r a b o tjo r d jeu ng hënteu saw er deuih, djeung ti beurang haw an a leuwih panap. Tapi lamoen dlseng kitoe, d ja la n haw a përloe k ab ln a-b in a, eoppaja ti peuting oelah baseuh koe haw a anoe dl no

[ 113 ]djĕro djaradi iboen. Djandelana koedoe meudjeuhna reana; djeung koedoe make hateup soesoen deui ari diaeng mah, gĕuning dapoer toean-toean, sok marake eta hateup soesoen, soepaja haseup kaloear, oelah moelĕk di dapoer, tah goedang anoe dlsarig oge hade pisan make hateup soesoen kitoe tapi lolongkrangna koedoe make ramkawat, ambrih beurit teu barisaeun asoep. Ari djandela-djandelana, beurang diboeka, peuting ditoetoep.

3. P a n j l m p ĕ n a ^ , a n o e ' d 1 t e m jtfo k. L oem brahna panjim pënan anoe ditem oak kitoe, tadlne; l^lh n g a h a d ja keur goedang pare, koe sabab e ta tjatfang anoe "hade ë n ja keur tëm pat ngam pihan pare, a ja anoe koerà^jg toehoem a ataw a a ja oge anoe koerang loba d jalan haw ana. K a m v -k a m a n .a anoe baseuh teuing mah oelah bae dipake ngampihan^T^BJre teh Sakapeung përloe diomean heula pelesterna djeung këntengna, sangkan haw a babari kaloearasoep djeung sangkan oelah baseuh. Atoeran

ngamplhanana.

L eu it laleu tik lolobana dieuslanuna sok pinoeh, nëpi k a n a hateupna. Tapi loem boeng-desa ajioe galëde, hade pisan Kirnoen ngeusianana diatoer m ake atoeran anoe hade, n ja e ta toempoekar. pare teh koedoe rad a anggang tin a bilikna, k ira -k ira 2 kaki. E u sin a goedang-goedang anoe galëde, aloeena pisan, koedoe digoendoekgoendoek, misilna. sagoendoekna 100 a ta w a 200 pikoel, atawc. oekoeranana di handap 3 k a 3 M. P a re anoe rad a goreng, koedoe dipisahkeun goendoekanana, oelah dlsagoendoekkeun djegng anoe hade, soemaworina djeung pibiniheun m ah, oelah pisan. N ja kitoe deui pare boeloe, oelah dibaoerkeun djeung pare goendil. Lam oen e ta goedang m ake tatapalcan, pare te h ngan lcari sok-sok bae dina. d adasar-papan te a ; tapi lam oen e ta goedang teh dipelester a ta w a ngoepoek, koedoe m ake raran d jan g an awi, a ta w a hadena pisan m ah lain koe awl koedoe koe tja ta n g k alap a boh tja ta n g djam be anoe geus garing a taw a koe kai anoe bangsa hade, djangkoengna kira* 15 nëpi k a 30 c.M. Goedang anoe ngoepoek, hade pisan lamoen lëlëm ahna dikali heula, djëro 2 kaki, toeloej disaeur koe hoeoet, rap ti loehoerna koe taneu h a ta w a koe bilik. koem a karëp oerang bae, pam brlhna soep aja oelah a ja rinjoeh anoe k a loehoer; tapi aloesna, e ta dadasar (hoeoet te a ) koedoe diganti oenggal ta ­ hoen. Koedoe apik pisan, e ta hoeoet teh oelah pisan a ja beunjeuran noemawonna beasna, sabab m a ta k loba ban gsa ham a’ sato lalëm boet djeung bisi dipake n ja ja n g beu rJt deuih. A ri ra ra n d ja n g a n anoo hade, n ja e ta anoe daroeroengna paioem pang-tindihkeun, papalangpalang patengtongan, ti loehoerna ditilam an koe aw i beunang n g ajam sasag, loehoereun eta, roep ditoetoep koe bilik kepang; pangna kasëboet hade raran d jan g an anoe tja r a kitoe teh, sabab

111
 
[ 114 ]pare walatra meunangna hawa. Aja deui anoe hade pikeun tilam, nja eta koe djarami toehoer (kandělna 1 à 1½ dim). Eta djarami tangtoe djadi padět ěnja, tapi tangtoe bae hawa mah babari asoepna.

Pare oelah pisan antěl kana bangsa tembok djeung batoe, sabab bangsa kitoe kana pare matak roeksak. Lamoen eta goedang make tihang tembok, oelah bae arek aja pare anoe antěl ka dinja, atawa lamoen sakira kapaksa kaantělan koe pare, eta tihang koedoe diboelen heula koe paloepoeh. Pikeun ngadjaga bisi aja botjor atawa bisi hawa djadi iboen lantaran koe tiisna hateup seng, hade pisan oepama eta pare ti loehoerna ditoetoep koe djarami boh koe kadjang atawa koe naon bae sapapadana. Beunang oge ti loehoerna diteundeunan karoeng² bangsal atawa karoeng heutjak, pambrihna soepaja pare tea oelah baseuh.

Lamoen katimbang koe oerang, jen eta pare oepama dihidjikeun moal toehoer běněr, lantaran leuitna tea goreng atawa lantaran aja sabab sedjen, hade eta pare ditoempoek bae, didjieun toempoekan laleutik anoe nareros laleutik ka loehoer, gedena ti handap (goerat-tengahna) kira² 1 atawa 1½ M., toeloej ti loehoerna ditioengan koe sageugeus. Hawa koedoe babari kaloear-asoepna. Lamoen eta pare aja noe maling babari katjiri ari ditoempoek baroeleud kitoe mah, da meureun toempoekanana robah roepana. Oepama soesah oerang moĕkeun deui eta pare, eta toempoekan sanggeusna 2 atawa 3 poë koedoe diboeka, digibrig-gibrig, toeloej ditoempoek deui. Lamoen leuitna atawa goedang tea leutik teuing, datang ka teu bisa didjleun toempoekan laleutik kitoe, kapaksa oepamana koedoe didjieun toempoekan galěde, poma koedoe dlakal-akal soepaja hawana oelah panas teuing koe ngělěkěbna. Koe sabab eta hade make wadah-hawa koe awi beunang nganjam anoe goerat-tengahna kira² ½ M.; ari pandjangna eta wadah-hawa teh koedoe saroea djeung loehoerna toempoekan; ari tjarangna eta wadah-hawa oelah leuwih ti 3 M. Oepama sangheuk make wadah-hawa, hade njleun lolongkrang ditjitak koe blek minjak-tanah oepamana. Panasna perloe mindeng dipariksa, koe ngasoepkeun leungeun kana liang tea. Oepama ngarah babari mariksana panas, hadena mah njieun saoeng koe awi, tjara paranti noempoek bako tea. Koedoe diingětkeun pisan, panasna teu meunang leuwih ti 50° Celsius. Lamoen anoe ditoempoek teh pare rada baseuh, eta, biasana gantjang nakěr panasna něpi ka sakitoe teh; lamoen panasna geus sakitoe, toempoekanana koedoe gantjang dibocka, digibrig-gibrig djeung dihearkeun, sangkan eta pare oelah djadi goreng kos ngělěkébna atawa oelah datang ka kadjadlan kahoeroean. Tapi ari panghadena mah keur nolak soepaja oelah něpi ka panas kitoe teh, euweuh deui ngan eta pare koedoe „toehoer enja" didjieun toempoekan galede. Ari pare [ 115 ]pabiniheun mah geus oelah bae meunang panas katjida teh, matak goreng.

Hama loemboeng. Sakabeh pare anoe diampihan digoedangan kitoe,koedoe bae aja hawana; geura tjoba bae ngagibrigkeun pare loehoereun njiroe. Koedoe bae aja tokona. Tapi lamoen atoeran anoe diwintjik di loehoer dipětakeun ènja², eta boeboek teu sabaraha ngaroeksakna, hartina teu matak ngoerangan kana hadena pare tea; djadi teu përloe ngahadja ngajakeun aberan pikeun ngabasmi eta hama. Oepama atoeran anoe kasěboet di loehoer tea loba anoe teu ditoeroetna, eta hileud, gantjang katjida ngarěkahanana, datang ka matak roeksak kana pare. Ari noe gantjang ngarèkahanana djeung ngaroeksak katjida kana pare, nja. eta boeboek. Enja běněr, eta pare teh koe oerang beunang dipoĕ sarta toeloej ditoempoek deui, leuitna beunang diběrěsihan, tapi lamoen parena loba atoeran kitoe teh beurat kabina-bina. Ari hadena mah, pare anoe geus koe boeboek kitoe mah měnding geuwat ditoetoe bae, didahar.

Pendekna, lamoen pare geus dihakan boeboek kitoe, taja tarekahaneunana deui. Koe hal eta, pare anoe arek diarapitan dl leuit koedoe pare anoe hade sarta toehoer ĕnja.

Ringkĕsna

.
  1. Pare dahareun dipiboeatanana koedoe geus asak.
  2. Sawatara lilana ditoempoek di leuit, pambrihna ngarah panas.
  3. Ditoeroenkeun, toeloej dipoě něpi ka toehoer ènja, kitoe deui sapoena koedoe garing.
  4. Ngan pare anoe taehoer enja, anoe bisa lila diampihanana.
  5. Pare pibiniheun oelah diarah toehoer koe diantèp; koedoe dihadja dihear-hear kalawan ati², mangka 'de kagěntak teuing. Tapi ari toehoerna mah! koedoe toehoer běněr.
  6. Leuit atawa goedang pare koedoe toehoer sarta hawa babari kaloear-asoepna; ari keur ngampihan pibiniheun koedoe rada tiis. Koedoe ditarekahan, oelah koe beurit atawa manoek.
  7. Pare teu meunang antěl kana taneuh atawa tembok. Di leuit atawa di goedang, oelah antěl kana bilik, sarta pěrjoga pisan diteundeun dina rarandjangan.
  8. Gědena toempoekan pare teu beunang leuwih ti 4 ka 4 M. Lamoen leuwih gede ti sakitoe koedoe make lolongkrang djalan hawa tea.
  9. Pare anoe rada baseuh koedoe mindeng diboerak toempoekanana, toeloej ditoempoek deui; lain boeat pakeun bae dililakeun, sabab tangtoe eta pare djadi goreng atawa radjeun oge matak kahoeroean. Oepadi keur pibiniheun mah, geus oelah bae. [ 116 ]
  10. Pare anoe bangsa koerang hade atawa anoe ditoempoek sa-

memeh toehoer ěnja, sok koe hileud atawa boeboek.






Pare anoe hade diampihan ngan anoe toehoer běněr bae; těmpatna koedoe toehoer djeung hawa koedoe babari kaloear-asoep.

[ 117 ]

27. HAL KATANGTOEAN DJEUNG ATOERAN².

a. TINA HAL PANJAKIT² HEWAN ANOE SOK TEPA.

  1. Oepama pagawe pamarentah bangsa Eropa atawa bangsa Priboemi njangka jen aja tjiri panjakit tepa dina hidji hewan, wadjib andjeunna gantjang mere njaho hal eta ka ahli (deskundige) anoe boga tanggoengan poerah ngoebaran hewan, noe njěkěl eta těmpat.
  2. Sabot noenggoe poetoesan ti „ahli noe boga kawadjiban ten, pagawe pamarentah teh, beunang marentah noetoep saheulaan kandang atawa pakarangan tempat hewan noe gěring tea Ieu parentah koedoe gantjang dibedjakeun koe lisan atawa koe soerat ka noe boga atawa ka noe ngoeroes eta hewan, lamoen eta parentah dibikeunna koe pangkat leutik bae, wadjib hal eta gantjang dioendjoekkeun ka kapala pamarentah di dinja
  3. Děmi di djadjahan loear tanah Djawa djeung Madoera, lamoen „ahli" noe boga kawadjiban teh, waktoe oesoem panjakit hewan noe disangka panjakit tepa teh, aja di těmpat djaneh, něpi ka teu bisa gantjang njieun papariksaan, djeung oepama teu aja pětana baris menta timbanganana koe kawat, hade pagawe, pamarentah bangsa Eropa noe boga oeroesan pěrkara eta, di mana eta panjakit beuki njaliara, koedoe ngalarang ngaloearkeun hewan ti těmpal noe aja panjakit tea, sabot noenggoe² timbangan ti „ahli" tea.
  4. Baris njegah njaliarana panjakit-hewan noe tepa teli, didjalankeun tjara di handap Ieu, tapi kadjadianana koedoe dikira-kira koe sorangan noeroetkeun gědena bahja djeung ngingětkeun kana karameanana nagara:


  1. Misahkeun těmpatna hewan noe gěring atawa noe disangka gering noeroetkeun atoeran noe geus dítětěpkeun koe parentah tina hal ieu;
  2. Ngalarang djalma², teu beunang asoep ka tempat sato noe gering atawa noe disangka gěring, anoe geus dipisahkeun atawa noe dirawatan, iwal anoe beunang aja di dinja lantaran kalawa koe kapangkatanana mitoeroet parentah pangagoeng. atawa djalma² anoe koedoe ngoeroes eta hewan tea (sapěrti noe poerah maraban);
  3. Marentah ngadjaga hewan noe disangka gěring tea, lilana noeroetkeun waktoe noe ditětěpkeun, bari ngalarang eta hewan dibawa ka těmpat sedjen, lamoen teu kalawan kanjaho atawa paidinna noe ngadjaga tea;
  4. Nangkep djeung maehan hewan noe gěring djeung noe disangka gering;
  5. Ngadoeroek atawa ngaroeang bangke hewan noe paeh atawa noe dipaehan tea;
[ 118 ]f. Mitjeun noe matak tepa atawa ngaleungitkeun pakandangan djeung aděganana, enggon hewan noe keuna koe panjakit tea djeung sagala parabot² kandang, nja kitoe deui sakoer noe sok dipake koe eta hewan, atawa noe geus kasenggol koe eta hewan;

g. Mitjeun noe pitepaeun noe aja di sakabeh djělěma, noe geus pasenggol djeung hewan noe keuna koe panjakit tea, atawa noe noeloeng waktoe mitjeun noe matak tepa ti pakandangan, mitjeun kandang djeung barang, atawa noe ngabantoean maehan, ngadoeroek atawa ngaroeang bangke eta hewan djeung deui mitjeun noe pitepaeun ti sakabeh djělěma noe rek kaloear ti kandang djeung ti tempat² noe geus katepaan;

h. Larangan pikeun wewengkon atawa karěsidenan noe ditangtoekeun, teu beunang:

1e. mawa asoep kaloear djeung ngaliwatna eta hewan;
2e. mawa kaloear hewan sedjen djeung sagala barang noe matak njaliara kana panjakit tea;
3e. miloe diangon ka pangangonan, dlinoemkeun satěmpat nginoem dimandian satěmpat mandi, mawa hewan ka djalan gěde noe bakoe, njieun pasar hewan djeung ngadjoeal hewan.

i. Ngalarang ngaleupaskeun andjing, oetjing djeung hajam, di sadjěro wewengkon atawa karěsidenan noe kaseboet dina sub h. di sadjero karěsidenan noe těpoeng watěs, sarta nitah maehan sato² noe kanjahoan ngentjar di dinja, anoe teu tjotjog djeung larangan;

k. Marentah, soepaja di wewengkon noe kaseboet dina sub h. pasal ieu, oge di karésidenan noe těpoeng watěs djeung eta:

1e. aděgan kandang djeung karapjak koedoe diběrěslhan koenoe ngingoe hewan tea dina waktoe anoe geus ditangtoekeun djeung sabisa-bisa salilana koedoe běrěsih, mitoeroet pitoedoeh pamarentah di eta těmpat, atawa mitoeroet pagawe noe dititah koe eta pamarentah baris mariksa kandang djeung karapjak tea;
2e. sakabeh hewan koedoe ditjap atawa make tjiri sedjen keur tjitjiren djeung noe miara hewan di djěro 24 djam koedoe mere njaho ka pamarentah, hal ngadjoeroe, gěring, atawa paeh djeung hal pěrkara noe lian tina bal ingon-ingonna.

l. Ngalarang asoep ka těmpat² hewan noe paeh atawa dipaehan lantaran panjakit tepa. atawa ka těmpat kotoran, hewan noe keuna koe panjakit tepa teh, diroeang djeung koedoe ngalarang ngorek taneuh těmpat eta, dina sadjěro tempo noe geus ditětěpkeun;

m. Njieun tjiri² dina djalan paranti asoep ka těmpat enggon hewan noe gěring atawa noe disangka gěring tea, nja kitoe deui dina wates eta těmpat, djeung dina katja-katjana, masang pal dipapanan, noe ditoelis di loehoerna: „panjakit hewan anoe tepa" [ 119 ]djeung ngaran eta panjakit koe basa Príboemi noe dipake di eta těmpat.

  1. Oerang Priboemi lalakina noe koeat digawe beunang dipake koe kapala nagara pikeun ngadjalankeun tarekah noe ditoelis dina pasal ieu.
  2. Lamoen tatjan kanjahoan sababna noe matak loba sato noe paraeh, oenggal² pagawe pamarentah kawasa marentah ngali bangke eta sato, di mana bae ajana, baris nangtoekeun panjakitna pangna eta hewan paeh; djeung lamoen ditanjakeun, teu aja bae noe noedoehkeun těmpat díroeangna eta bangke, pagawe teh kawasa mariksa těmpat' noe disangka dipake ngoeboer bangke.
  3. Pagawe pamarentah djeung bangsa poelitie sarta „ahli" noe koedoe mariksa, lamoen pěrloe, bisa kalawan pitoeloeng poelisi, asoep ka oenggal těmpat noe disangka aja kadjadian kitoe; djeung deui beunang asoep ka djěro waroeng² atawa tempat ngampihan daging, tempat noe koellt djeung tempat pagawean noe saroepa kitoe, djeung deui beunang asoep ka těmpat noe pěrloe diasoepan baris ngadjalankeun sub No. 6.
  4. Atoeran nimbang djeung majar karoegian, saperti di handap ieu:

Gedena karoegian baris hewan noe rek dipaehan, koedoe noeroetkeun harga pasar, lamoen eta hewan waktoe eta henteu keuna koe panjakit anoe něpi ka koedoe dipaehan. Harga noe kasěboet tadi ditangtoekeun koe „ahli" noe boga oeroesan, lamoen djoemblah harga hewan noe dipaehan, noe rek dibajarkeun ka hidji djělēma dikira henteu leuwih ti 500 (lima ratoes roepia), tapi lamoen leuwih ti sakitoe dipoetoeskeunana koe sahidji koemisi noe lidna tiloe; ari didjieunna eta koemisi teli koe kapala pamarentah nagara.

Tina hal ieu didjieun proces-verbaalna kalawan ati² sarta ditekén djeung něrangkeun hidji-hidjina hewan. Ari doeitna kabeh dipasrahkeun ka noe boga hewan. Doeit pamere atawa pamajar teh teu beunang dibikeun lamoen sagala noe matak tepa tatjan dipitjeunan enja² ti kandang² djeung lian ti eta, mitoeroet katangtoean noe masih didjalankeur dina ieu hal, atawa noeroetkeun pítoedoeh „ahli" noe kawadjiban ngoeroes; lamoen noe boga teh tjitjingna dina wewengkon noe ditoetoep, mitoeroet pasal 4 sub . Ie. di loehoer, koedoe dititah noenggoean těpi ka diidinan baris balik deui mawa eta hewan ka eta wewengkon.

b. SEGEL.

Hai ongkos segěl didjalankeun di sakoeliah Hindia-Nederland kalawan henteu ngabedakeun bangsa Eropa djeung Priboemi. Děrai ongkos segěl teh, eta padjeg keneh, nja eta padjěg akteu djeung bangsa soerat lian ti eta (těgěsna saniskara katěrangan djeung [ 120 ]verklaring anoe gawena pikeun djadi boekti hidji panggawe atawa leuwih, boh eta panggawe-panggawe teh mişah² boh patjantel, sarta eta soerat teh didjieun koe-, djangeun - atawa lantaran aja pamenta manehna, toer make ditanda atawa ditjap koe manehna); nja kitoe deui sagala sperat panoehoen (rékes) ka pangagoeng, koemaha bae atoeranana mah, rek bangoen soerat bae rek tjara pengetan.

Ari gedena eta ongkos segel sawareh angger (¹),[5] swareh deui noeroet timbangan, nja eta goemantoeng kana gedena doeit anoe dioeroeskeun.

Gědena ongkos segěl angger biasana ƒ 1.50, tapi ari keur koeitansi (kwitantle), soerat deposito, soerat aandeel-ngaran (opnaam staande bewijzen van aandeel), tjitjilan keur modal loemboeng-indjeumkeuneun baris noeloeng, soerat anoe aja pangadjina doeit ka noe njëkěl, wissel djeung soerat-pamajar anoe henteu keuna koe ongkos noeroet timbangan tea (ilikan di handap), pas-daratan pikeun oerang Priboemni djeung pas keur ka nagara sedjen anoe dibikeun di Goepermen Atjeh sabawahanana (iwal pikeun ka Měkah), gědena ongkos dítětěpkeun ƒ 0.10.

Pikeun soerat-dagang anoe beunang ditoekeurkeun (dibajar) di Nagara Walanda, kadjaba anoe bieu, biasana koedoe majar ongkos segěl noeroet timbangan tea ½ % (¹/2000 na).

Ongkos segěl soerat-paidin pikeun ngadjoeal sendjata-api, obat djeung parabot sendjata api (munitie) gědena lima poeloeh roepia; segěl-paidín ngabongkar moeatan kapal doea poeloeh lima roepia: pikeun ka Měkah opat roepia.

Ongkos segěl noeroetkeun timbangan pikeun:

  1. acte hypotheek atawa tanggoengan ngabogaan kapal-kapal ½%:
  2. acte balik-nama hak-eigendom atawa hak-miboga lian ti eta ¼%
  3. acte ngěpakkeun pantjarlan nagara, karésidenan atawa bagian karésidenan anoe boga kas sorangan ¼%:
  4. soerat doeit lelang ¼%;
  5. proces-verbaal ngalelang leuweung djeung ngaloearkeunana pangala hasil leuweung ¹/10 %;
  6. soerat kapal djeung pas laoet ƒ 0.20 oenggal 1 M³, ngitoeng eusina eta kapai (parahoe).
  7. soerat pamajar atawa soerat masih hoetang pamajar djeung assignatle anoe henteu koedoe dibajar gantjang atau saeutik tempona ½%.

Soerat oetentik (authentieke acte) anoe koedoe dibajar ongkos segěl noeroetkeun-timbangan ngan soerat-notaris bibitna bae; soerat acte dibawah tangan anoe make majar ongkos segěl noeroet-timbangan tea, koedoe ditoelis sakabehna dina segěl [ 121 ]kalawan beres, iwal soerat-soerat acte lelang-borongan dibawah tangan anoe pikeun Nagara djeung salian ti eta; anoe kitoe mah noe koedoe majar segěl noeroet-thinbangan teh, ngan soerat anoe keur ka Pamarentah bae.

Salinanana sakabeh soerat anoe koedoe majar ongkos segěl, koedoe ditoelis dina segěl anoe harga ƒ 1.50 tea.

Aja pirang² soerat anoe noeroetkeun atoeran noe kaseboet di loehoer koedoe majar ongkos, lesot pisan tina eta padjég; leuwih ti 80 roepa soerat reana diěleskeun, anoe diiwalkeun tina eta atoeran, djeung rea deui soerat sedjen anoe diseboetkeunana dina verordening gěde. Ngabebaskeun ongkos soerat koe noeroetkeun maksoedna, kakara diidinan, lamoen eta maksoed tea terang kaoeni dina soerat, sarta sabab-sababna anoe matak dibebaskeun tea, koedoe diseboetkeun dina eta soerat.

Tah eta, atoeran anoe biasa didjalankeun pikeun majar ongkos segěl noeroet-timbangan teh, sarta pikeun sakabeh soerat² anoe didjieun di Hindia Nederland biasana diwadjibkeun; nja Gouvernement ngadjoeal roepa² segěl, ti harga ƒ 1.50 něpi ka harga ƒ 500.

Kadoea, ongkos segěl teh dibajarna koe napělkeun plakzegel anoe hade keneh, (¹),[6] eta oge plakzegel tea, tjara segěl noe sedjen bae, aja daganganana di kantor pos; tah eta, atoeranana majar ongkos segěl anggěr.

Aja deui atoeran majar ongkos segěl, nja eta dibajarna pandeuri; dibikeunna ka pagawe anoe geus dibakoekeun ngoeroes hal eta; pětana manehna napělkeun segěl tea atawa plakzegel katoet verklaringna. Ieu atoeran babakoena dipakena pikeun soerat anoe ditoelisna lain di Hindia, atawa pikeun sababaraha soerat anoe make diseboetkeun ngaranna, anoe hese pikeun ditoelis těroes kana zegěl, djeung soerat² anoe engke diachir baris djadi katěrangan.

Lamoen noe njarieun pěrdjangdjian tea henteu ngahadja njieun pěrdjangdjian sedjen, anoe dikeunaan padjěg (koedoe majar ongkos) salawasna anoe ngahoetangna atawa anoe boga hak djeung njěkěl soerat kakoeatan.

Anoe djadi tanggoenganana sangkan ongkos segěl tea dibajar, nja eta: kahidji koe antjaman dikeunaan hoekoem dengda gěde, sakoer anoe nandatangan dina kertas anoe teu make segěl, atawa make kertas, tjara kitoe keur noe sedjen; kadoea; Pamarentah, gegěden pangadilan djeung gegěden pamarentahan, nja kitoe deul poerah moetoes (scheidmannen) dilarang teu meunang mere poetoesan, ngesahkeun tanda-tangan, nibankeun pangadilan, nganggap atawa ngampihan soerat-soerat, napělkeun eta soerat-sperat kana soerat

{{loop<-- -->| 6<-- -->| — <-- -->}} [ 122 ]
acte atawa noeliskeun eta dina acte tea, lamoen ongkos segěl tea tatjan dibajar.

Lamoen leuwih teuing majar, leuwihna tea beunang dipenta deui dina sadjěro tiloe tahoen tina titimangsana soerat anoe ditoelis dina segěl tea.

Segěl anoe hěnteu beunang dipake - anoe tjatjan dipake -, beunang ditoekoerkeun djeung segěl anoe weuteuh keneh, tapi koedoe majar ƒ 0.20, sarta make katěrangan jen eta toelisan anoe aja segěl tea hěnteu kapake.

Anoe njěkěl hal segěl djeung plakzegel, nja eta hidji pagawe pos djeung kawat; ari anoe nalingakeun djeung mariksana, Kapala eta pagawean.

Segěl djeung plakzegěl beunang dibeuli ti Kapala kantor-pos leutik; ari di tanah peuntas (loareun poelo Djawa djeung Madoera) beunang dibeuli ti ambtenaar Bestuur, lamoen di dinja euweuh kantor-pos.


c. RINGKESAN BAB PADJEG.

1. Anoe diwadjibkeun majar padjěg-kapala.
sagala djělěma anoe keuna koe heerendienst di tanah Goepěrněmen di poelo Djawa djeung Madoera, iwal
I. tanah Goepěrněmen onderdistrik Bogor (Buitenzorg), aja di distrik djeung afdeeling eta, karěsidenan Batawi, djeung
art 1 II. oerang tanah2 partikoelir.
2. Eta padjěg-kapala.
a. ditětěpkeun oenggal tahoen, baris satahoeneun djeung sadesa-sadesa;
b. gědena padjěg dina sadesa sakitoe kali padjěg karataan di eta karěsidenan atawa di sabagian eta karěsidenan, sapěrti lobana djělěma anoe keuna koe heerendienst dina 1 Januari tahoen aanslag - iwal
art 2 II. lamoen didjalankeun artikel 3 -.
3. Ngabagikeun padjěg-kapala.
a. diatoer di desa koe pamarentah desa kalawan pamentana djalma2 anoe koedoe malajar padjeg kapala tea, ditalingakeun koe pagawe anoe dipilih koe Residen (tatapi teu beunang aja anoe di-;
[ 123 ]
keunaan padjĕg leuwih ti opat kalieun rata-ratana; Stbl. 1914 No. 313);
art.4. Padjĕg anoe geus dianslag, dina tahoen eta teu beunang dirobah deui.
b. baris di- parentahkeun koe Directeur Binnenlandsch
noeroetkeun kaadilan; sarta kalawan ngingětkeun
beunghar- miskinna djělěma atawa beurat-
hampangna heerendienst anoe dileungitkeun
ti sĕmĕt tahoen 1913 tea.
Dina waktoe aanslag padjtĕg-kapala ditangtoekeun gĕdena gitik-ratana padjĕg anoe ĕngkena baris ditĕtĕpkeun koe Directeur Binnenlandsch Bestuur pikeun saoerangna anoe koedoe majar padjĕg-kapala, dĕmi gĕdena diboeleudkeun djadi titikĕlanana 5 sen.
Gĕdena eta padjĕg teu beurang dirobah, iwal lamoen aja sabab anoe gĕde katjida (sapĕrti lantaran gitik-ratana padjĕg tea dirobah) noeroetkeun timbangan Directeur Binnenlandsch Bestuur.
art. 3² 4. Majar padjĕg-kapala (kolong).
a. koedoe ka kapala-desa, djeung koedoe geus Joenas samemehna tanggal 20 December tahoen eta;
art. 7² b. beunang dina oenggal waktoe bae, darapon majarna 25 sen atawa titikĕlanana;
Lamoen anoe dibajar teh koerang ti 25 sen, koedoe dibajar kabeh; lamoen koerang tina titikĕlan 25 sen, majarna sabeunang-beunang koeroe 25 sen dina sakali-kalina.
art 8 c. beunang diloebarkeun kabeh atawa sabagianana koe Directeur Binnenlandsch Bestuur, lamoen aja sabab anoe gĕde katjida.
5. kapala-desa
§ 1 a. dina awalna boelan Januari koedoe njatĕtan djĕlĕma anoe tanggal hidji boelan eta keuna koe gawe heerendienst;
§ 2 b. koe sorangan atawa nitah noe sedjen noeliskeun beubeunangan mariksa kohir-kohir desa (model A);
c. njĕboetkeun oge dina eta kohir gĕdena padjĕg;
— 121 —
[ 124 ]Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/97 [ 125 ]
7. kapala-distrik.
a. nĕroeskeun kohir2 desa anoe katampa ti Kapala onderdistrik ka pagawe anoe koedoe mariksa hal ieu anoe ngabawah distrikna (Kontrolir atawa Aspiran-Kontrolir); ngirimkeunana koedoe memeh tanggal 1 Februari;
§ 3. b. masrahkeun kohir-kohir desa ka Kapala-desa pi­keun narik padjĕg, noeroetkeun kohir2 distrik anoe geus ditĕtĕpkeun djeung geus dieusian sapĕrloena;
§ 82. c. masrahkeun soerat-padjĕg (model D) anoe geus ditanda koe andjeunna ka Kapala-desa.
8. Pagawe anoe poerah mariksa (kontrolir atawa Aspiran-kontrolir).
§ 4. а. njieun kohir sadistrik-sadistrik bawahanana (mo­del B), noeroetkeun katĕrangan anoe kasĕboet dina kohir-desa anoe disanggakeun ka andjeunna;
§ 5. b. njanggakeun kohir2 distrik ka toean Rĕsiden, dibarĕngan koe katĕrangan pondok tina hal madjoe-moendoerna padjĕg-kapala tahoen eta dibandingkeun djeung tahoen toekang;
§ 6. c. njieun kohir2 distrik sapĕrloena, datang ka toean Rĕsiden tingali sabaraha lobana djĕlĕma anoe dina tanggal 1 Januari tahoen eta noe koedoe dikeunaan heerendienst — oepama andjeunna meunang bedja, jen Kapala-karĕsidenan nganggap pĕrloe koedoe diajakeun bagian anjar —
9. Pagawe pamarentahan Walanda prijaji atawa Priboemi).
a. ralingakeun lamoen dipiwarang koe Kapala-karĕsidenan:
I. hal mariksa kohir-desa koe kapala eta onderdistrik;
II . hal ngalampahkeun anggĕr2 Ordonansi-padjĕg-kapala djeung papagon ngadjalankeun eta ordonansi;
III. hal ngabagikeun padjĕg di desa koe pamarentah-desa.
- 123 -
[ 126 ]d. NJADIAKEUN KADAHARAN NOE DJADI TATALI-HOERIP.

Artikel 1. (1) Saha² anoe njěkěi tanah lianna ti pakarangan (imah), boh anoe saloearna boh aja sabagianana anoe kosong leuwih lila ti saoesoem pěpělakan anoe blasa dikěbonkeun di dinja. oepama noeroetkeun timbangan Kapala-afdeeling, beunang sarta koedoe dipělakan bangsa pěpělakan anoe djadi tatali-hoerip anoe oemoerna ngan satahoen, toer katimbang. baris hasil, djělěma anoe njěkěl eta tanah diwadjibkeun, dimana nampa parentah Kapala afdeeling atawa parentah wawakilna, koedoe mělakan eta tanah koe bangsa pěpělakan anoe kaseboet dl loehoer tea dina waktoe anoe katimbang hade koe Bestir; sarta ngalana hasil koedoe dihade-hade.

Dina ngadjalankeun parentah anoe kaseboet di loehoer, koedoe diingětkeun: hal piligentina pěpělakan, hal pangangonan, anoe baris migawena, djeung sagala pěrkara sedjen anoe sakira matak djadi halangan kana djadina eta pagawean.

(2) Di tanah erpah djeung tanah² partikoelir kawadjiban anoe kaseboet dina ajat kahidji teh, pikeun saheulaan ngan beunang didjalankeun baris saparapatna tanah anoe kosong, anoe noeroet pangatoeran noe kaoeni dina ajat kahidji tea, kaasoep kana tanah anoe pihasileun lamoen dipělakan bangsa tatali-hoerip - iwal tanah„ anoe biasa dipělakan tlwoe djeung bako, djeung di tanah partikoelir diiwalkeun tanah² anoe ditjěkěl koe oerang Priboemi djeung sapapadana make hak anoe diseboet „hak-make”, tanah anoe kieu mah, keuna pisan koe pangatoeran anoe kasěboet dina ajat kahidji teh.

Tanah² kosong anoe aja di tanah² erpah djeung tanah partikoelir, anoe noeroet timbangan Kapala-afdeeling baris pihasileun lamoen dipělakan bangsa tatali-hoerip, toer teu sabaraha matak roegina ka anoe boga, (eta tanah kosong) keuna koe pangatoeran anoe kaseboet dina ajat noe kabldji, sanadjan legana ngaleuwihan ti oegeran anoe kaseboet di loehoer, nja eta ¼-na tea.

Di tanah onderneming-erpah noe aja di loear Poelo Djawa djeung Madoera, legana tanah anoe koedoe dipělakan tatall-hoerip teh, dikoerangan deui koe tanah anoe dipělakan koe pěpělakan baris dahareun noeroet artikel 1 ordonansi tanggal 20 September 1918 (Staatsblad No. 655).

Tanah², anoe dipělakan pěpělakan bangsa tatali-hoerip anoe kaseboet dina ieu ajat, dipillbna koe Kapala-afdeeling atawa koe wakilna děmi Kapala-afdeeling meunangna katerangan hal tanah piliheun pělakaneun teh, ti hidji koemisi anoe didjieun koe Kapala-karésidenan, ari ělidna eta koemisi teh djělěma² anoe baroga kaperloean.

(3) Lesot tina kawadjiban mělak bangsa tatali-hoerip, lamoen [ 127 ]eta tanah pikeun saheulaan dipasrahkeun koe manehnâ. ka Kapala-afdeeling kalawan pĕrtjoemah, soepaja dipĕlakan bangsa tatali-hoerip koe noe sedjen; sarta eta kawadjiban teh leungit deuîh lamoen manehanana bisa nĕrangkeun ka Kapala-afdeeling, jen maranehanana pribadi atawa babarĕngan djeung batoerna, geu marĕlak bangsa tatali-hoerip make djalan sedjen.

(4) Parentah anoe kasĕboet dina ajat kahidji tea, sadjĕro 14 poë ti satampana eta parentah beunang disawalaan koe soerat ka Kapala karĕsidenan, anoe baris maparin poetoesan. Lamoen kadjadian hal ieu, kawadjiban mĕlakan tanah kosong tea dipoendoerkeun nĕpi ka datangna poetoesan.

Artikĕl 2. Pikeun ngadjalankeun anoe kasĕboet dina artikĕl 1 dianggap oge tanah kosong, tanah-tanah anoe dipĕlakan bangsa „pĕlak-tahoen” anoe masih leutik keneh, sarta lamoen dipĕlakan sĕsĕlana moal piroeksakeun, nja eta noeroet timbangan Kapala-afdeeling sanggeusna mariksa timbangan hidji koemisi anoe didjieun koe Kapala-karĕsidenan, anoe lidna bangsa ahli-ahli bae. Anoe ditangtoekeun dina ajat 4 artikĕl kahidji keuna oge kana tanah-tanah anoe kieu.

Artikĕl 3. Anoe ditĕtĕpkeun dina artikĕl 1 djeung 2, keur oge ka Concessie-tatanen di karadjaan2 laleutik di loear Poelo Djawa djeung Madoera, djeung di onderneming2 di Solo djeung Djogja. Dina hal ieu anoe dikeunakeun teh ajat kadoea artikĕl pikeun tanah erpah djeung tanah2 partikoelir.

Artikĕl 4. Saha2 anoe pikeun saheulaan masrahkeun tanahna ka noe sedjen, nja eta tanah anoe koedoe dipĕlakan pĕpĕlakan tatali-hoerip anoe kasĕboet dina artikĕl 1 tea, hĕnteu boga hak pikeun mĕrkarakeun ka hoekoem pikeun njaboet pĕrdjangdjian atawa menta paroeroegi (ganti karoegian) ti djĕlĕma anoe njimpang tina djangdjina, noe mĕlakan eta tanah koe pĕpĕlakananoe diparentahkeun tea atawa masrahkeun eta tanah keur saheulaan ka Kapala-karĕsidenan kalawan pĕrtjoemah, soepaja eta tanah dipĕlakan bangsa tatali-hoerip koe noe sedjen.

Artikĕl 5. Kapala-karĕsidenan, lamoen pĕrloe, baris njieun atoeran2 anoe koedoe ditoeroet dina ngadjalankeunana eta kawadjiban.

Dĕmi hal tanah2 kontrakan, kapala pamarentahan koedoe badami djeung koemisi anoe ĕlid-ĕlidna kabeh djalma2 anoe baroga kapĕrloean hal eta. Di karĕsidenan anoe aja pakoempoelan-tatani njieunna koemisi, Kapala-karĕsidenan koedoe menta timbangana eta pakoempoelan.

- 125 -
[ 128 ]Artikel. 6. (1) Ari di tanah² erpah atawa-atawa tanah Concessie-tatanen, atawa tanah² anoe kaasoep kana bagian tanah partikoelir boh tanah kontrakan anoe henteu ditjěkěl koe oerang Priboemi djeung sapapadana, kawadjiban² anoe kaseboet dina ieu ordonansie dibeuratkeun ka anoe ngoeroesna (beheerder).

(2) Tanah erpah djeung kontrakan² anoe tatjan diboeka, eta kawadjiban dibeuratkeun ka anoe mentana, atawa lamoen anoe mentana teh hidji vennootschap atawa pakoempoelan anoe geus disahkeun, dibeuratkeunana ka pangoeroes-pangoeroesna (běstirna).

(3) Saha² anoe henteu nohonan kana eta kawadjiban, dihoekoem boei panglilana tiloe boelan atawa didengda panglobana lima-ratoes roepia.

(4) Eta lampah, anoe dihoekoem koe hoekoeman anoe kaseboet dina ajat noe bieu, dlanggap palanggaran.

Artikel 7. Ieu ordonansi mimit! didjalankeun ti poean diembarkeun (nja eta 13 Jull 1919).

KATERANGAN MAKSOEDNA ORDONANSI MAKSA
PEPELAKAN:

(Soerat sebaran Direktoer Tatanen, Karadjinan djeung Dagang. dikirimkeun ka Kapala-kapala karěsidenan 26 September 1912 No. 10987/A).

Ordonansi-pamaksa-pěpělakan didjalankeunana tangtos pisan babakoena pikeun tanah² kering, nanging di sawareh tempat didjalankeun oge pikeun sawah² anoe henteu dipolah koe noe gadoehna.

Loba tanah kering anoe lantaran hirang lendo, dipělakanana dina sababaraha tahoen ngan sakali. Ana gantjang dipělakan deui teh sok saeutik pisan pangasilanana katoeroeg-toeroeg ana mindeng teuing dipělakan, sok tereh pisan kěrina, oepadi oepami tanahna lamping mah; eta pěrkara sakenging-kenging kedah ditarekahan, sangkan oelah kitoe. Dina waktos ngadjalankeun eta ordonansi pikeun tanah' anoe dipolah koe abdi', hal leu kedah diemoetkeun.

Koe sabab parantos ngoeping jen loba kaheseanana, sapertos anoe ditabeuh di Volksraad, di dieu dipepelingan, jen hal maksa oerang Priboemi kědah pěpělakan teh, teu kenging pisan ngaganggoe hal goear-taneuhna oerang Priboemi anoe parantos matoeh. Oepami dina hidji těmpat. oerang dinja parantos matoeh pěpělakanana, sarta parantos milih pakasabanana, parantos ngadaměl atoeranana eta pakasaban sareng parantos nětěpkeun pěpělakan anoe baris dipělakna, eta ordonansi-pamaksa-pěpělakan tea, sama sakali teu kenging maksa ka eta djělěma. Pangatoeran leu ordonansi ngan kenging dikeunakeun kana tanah' oerang Priboemi, boh anoe parantos lami, boh anoe anjar keneh henteu dipěpělakanan, sarta [ 129 ]katimbang baris hasil oepami dipělakan bangsa tatali-hoerip anoe oemoer satahoen.

Loba djalma anoe ngomong, jen atoeran maksa djělěma² anoe garadoeh tanah kosong noe tjara kasebat di loehoer sina mělakan tanahna tea koe bangsa tatali-hoerip, mindeng pisan tara aja goenana, sareng ngeunakeun pamaksa kitoe teh sok kadjadian pěrkara koerang adil, eta lérés kitoe. Koe sabab eta oepami parantos sidik, jen anoe gadoeh tanah ěmboengeun mělakan tanahna koe sorangan, teu ordonansi salianna wěrang maksa soepaja djělěma marělakan tanahna anoe kosong koe pribadina, gadoeh deui kakawasaan masrahkeun eta tanah ka noe sedjen pikeun sawatara lamina sarta digantoengan djangdji² soepaja dipělakan bangsa tatali-hoerip koe djělěma anoe daraek mělakan tea, make atoeran anoe sae. Eta ordonansi anoe pang-pangna pisan maksoedna tjara anoe kaseboet bieu di loehoer tea; djadi anoe gadoeh eta tanah teh, lain dipaksa kědah mělakan tanahna anoe pihasileun tea koe bangsa tatali-hoerip, nanging oepami manehna ěmboengeun mělakan tanahna tea, sina milih bae naha bade babalik plklı, niat mělakan tanahna, atawa měnding masrahkeun (ngindjeumkeun) tanahna ka Nagara, soepaja koe Nagara pikeun sawatara lilana, dipasihkeun ka oerang desa eta, babakoena pisan ka noe teu garadoeheun tanah, soepaja koe maranehanana dipělakan bangsa tatali-hoerip anoe oemoer satahoen make atoeran anoe sae.

Hal anoe garadoeh tanah harajangeun lesot tina kawajiban mělakan tanahna koe, sorangan, sanes ngan aja di verang Priboemi bae, di bangsa sedjen oge sami bae aja eta kahujang teh, tapi pikeun lolobana kirang sae dikeunaan atoeran kitoe.

Hal lamina diindjeumkeunana, dina ordonansi benteu dítětěpkeun. Nanging, pangna henteu dítětěpkeun teh, lain pisan maksadna, jen hal lamina mah dipasrahkeun ka noe gadoeh tanah bae. Oepami noe gadoeh tanah emboengeun hese mělakan tanahna. sarta masrahkeun eta tanah ka Kapala-afdeeling, pikeun sawatara lamina soepaja dipělakan koe noe sedjen, manehna teu kenging baha, tanahna dipělakan bangsa tatali-hoerip koe noe sedjen, di. garapna koemaha pisaeëunana, sarta lilana sakoe maha përloena timbangan anoe mělakan. Lamoen tanahna, tanah anoe tatjan diboeka, bisa djadi katimbang perloe, pllamleunana leuwih ti saoesoemeun, lantaran koe beubeunangan saoesoem, ongkos moekana henteu kabocal. Dina lěbah pěrkara kieu lamina eta tanah barisna dipake, pěrloe dibadamikeun heula sareng anoe gadoeh.

Oepami anoe gadoeh tanah ěmboengeun noeroet kana kahajangna Běstir, eta djělěma kenging diantjam, nja eta saseepna waktoe pamere manehna tea, manehna pribadi kedah ngaladjëngkeun mělakan eta tanah koe bangsa tetali-hoerip. Dina papagon anoe baris dítětěpkeun koe Kapala-karesidenan, noeroetkeun artikel 5 ieu [ 130 ]Artikel. 6. (1) Ari di tanah² erpah atawa-atawa tanah Concessie-tatanen, atawa tanah² anoe kaasoep kana bagian tanah partikoelir boh tanah kontrakan anoe henteu ditjěkěl koe oerang Priboemi djeung sapapadana, kawadjiban² anoe kaseboet dina ieu ordonansie dibeuratkeun ka anoe ngoeroesna (beheerder).

(2) Tanah erpah djeung kontrakan² anoe tatjan diboeka, eta kawadjiban dibeuratkeun ka anoe mentana, atawa lamoen anoe mentana teh hidji vennootschap atawa pakoempoelan anoe geus disahkeun, dibeuratkeunana ka pangoeroes-pangoeroesna (běstirna).

(3) Saha² anoe henteu nohonan kana eta kawadjiban, dihoekoem boei panglilana tiloe boelan atawa didengda panglobana lima-ratoes roepia.

(4) Eta lampah, anoe dihoekoem koe hoekoeman anoe kaseboet dina ajat noe bieu, dlanggap palanggaran.

Artikel 7. Ieu ordonansi mimit! didjalankeun ti poean diembarkeun (nja eta 13 Jull 1919).

KATERANGAN MAKSOEDNA ORDONANSI MAKSA
PEPELAKAN:

(Soerat sebaran Direktoer Tatanen, Karadjinan djeung Dagang. dikirimkeun ka Kapala-kapala karěsidenan 26 September 1912 No. 10987/A).

Ordonansi-pamaksa-pěpělakan didjalankeunana tangtos pisan babakoena pikeun tanah² kering, nanging di sawareh tempat didjalankeun oge pikeun sawah² anoe henteu dipolah koe noe gadoehna.

Loba tanah kering anoe lantaran hirang lendo, dipělakanana dina sababaraha tahoen ngan sakali. Ana gantjang dipělakan deui teh sok saeutik pisan pangasilanana katoeroeg-toeroeg ana mindeng teuing dipělakan, sok tereh pisan kěrina, oepadi oepami tanahna lamping mah; eta pěrkara sakenging-kenging kedah ditarekahan, sangkan oelah kitoe. Dina waktos ngadjalankeun eta ordonansi pikeun tanah' anoe dipolah koe abdi', hal leu kedah diemoetkeun.

Koe sabab parantos ngoeping jen loba kaheseanana, sapertos anoe ditabeuh di Volksraad, di dieu dipepelingan, jen hal maksa oerang Priboemi kědah pěpělakan teh, teu kenging pisan ngaganggoe hal goear-taneuhna oerang Priboemi anoe parantos matoeh. Oepami dina hidji těmpat. oerang dinja parantos matoeh pěpělakanana, sarta parantos milih pakasabanana, parantos ngadaměl atoeranana eta pakasaban sareng parantos nětěpkeun pěpělakan anoe baris dipělakna, eta ordonansi-pamaksa-pěpělakan tea, sama sakali teu kenging maksa ka eta djělěma. Pangatoeran leu ordonansi ngan kenging dikeunakeun kana tanah' oerang Priboemi, boh anoe parantos lami, boh anoe anjar keneh henteu dipěpělakanan, sarta [ 131 ]katimbang baris hasil oepami dipělakan bangsa tatali-hoerip anoe oemoer satahoen.

Loba djalma anoe ngomong, jen atoeran maksa djělěma² anoe garadoeh tanah kosong noe tjara kasebat di loehoer sina mělakan tanahna tea koe bangsa tatali-hoerip, mindeng pisan tara aja goenana, sareng ngeunakeun pamaksa kitoe teh sok kadjadian pěrkara koerang adil, eta lérés kitoe. Koe sabab eta oepami parantos sidik, jen anoe gadoeh tanah ěmboengeun mělakan tanahna koe sorangan, teu ordonansi salianna wěrang maksa soepaja djělěma marělakan tanahna anoe kosong koe pribadina, gadoeh deui kakawasaan masrahkeun eta tanah ka noe sedjen pikeun sawatara lamina sarta digantoengan djangdji² soepaja dipělakan bangsa tatali-hoerip koe djělěma anoe daraek mělakan tea, make atoeran anoe sae. Eta ordonansi anoe pang-pangna pisan maksoedna tjara anoe kaseboet bieu di loehoer tea; djadi anoe gadoeh eta tanah teh, lain dipaksa kědah mělakan tanahna anoe pihasileun tea koe bangsa tatali-hoerip, nanging oepami manehna ěmboengeun mělakan tanahna tea, sina milih bae naha bade babalik plklı, niat mělakan tanahna, atawa měnding masrahkeun (ngindjeumkeun) tanahna ka Nagara, soepaja koe Nagara pikeun sawatara lilana, dipasihkeun ka oerang desa eta, babakoena pisan ka noe teu garadoeheun tanah, soepaja koe maranehanana dipělakan bangsa tatali-hoerip anoe oemoer satahoen make atoeran anoe sae.

Hal anoe garadoeh tanah harajangeun lesot tina kawajiban mělakan tanahna koe, sorangan, sanes ngan aja di verang Priboemi bae, di bangsa sedjen oge sami bae aja eta kahujang teh, tapi pikeun lolobana kirang sae dikeunaan atoeran kitoe.

Hal lamina diindjeumkeunana, dina ordonansi benteu dítětěpkeun. Nanging, pangna henteu dítětěpkeun teh, lain pisan maksadna, jen hal lamina mah dipasrahkeun ka noe gadoeh tanah bae. Oepami noe gadoeh tanah emboengeun hese mělakan tanahna. sarta masrahkeun eta tanah ka Kapala-afdeeling, pikeun sawatara lamina soepaja dipělakan koe noe sedjen, manehna teu kenging baha, tanahna dipělakan bangsa tatali-hoerip koe noe sedjen, di. garapna koemaha pisaeëunana, sarta lilana sakoe maha përloena timbangan anoe mělakan. Lamoen tanahna, tanah anoe tatjan diboeka, bisa djadi katimbang perloe, pllamleunana leuwih ti saoesoemeun, lantaran koe beubeunangan saoesoem, ongkos moekana henteu kabocal. Dina lěbah pěrkara kieu lamina eta tanah barisna dipake, pěrloe dibadamikeun heula sareng anoe gadoeh.

Oepami anoe gadoeh tanah ěmboengeun noeroet kana kahajangna Běstir, eta djělěma kenging diantjam, nja eta saseepna waktoe pamere manehna tea, manehna pribadi kedah ngaladjëngkeun mělakan eta tanah koe bangsa tetali-hoerip. Dina papagon anoe baris dítětěpkeun koe Kapala-karesidenan, noeroetkeun artikel 5 ieu [ 132 ]ordonansi-maksa-pěpělakan, pěrloe oge disebatkeun sabaraha lamina eta tanah koe noe gadoeh dipasrahkeunana ka Kapala-afdeeling mambrih manehna lesot tea tina kawadjibanana pikeun mělakan eta tanah koe bangsa tatall-hoerlp. Dina nětěpkeunana lamina, pěrloe ngingětkeun anoe kasebat di loehoer.

Oepami eta tanah parantos dipasrahkeun ka Kapala-afdeellng. anoe gadoeh tanah (toean ondernemingna) dianggap parantos nohonan kana kawadjibanana, sanadjan Kapala-ufdeeilng oepamina teu manggih djělěma anoe daekeun mělakan eta tanah. Nanging maksa anoe garadoeh tanah keduh masrahkeun tanahna kitoe teh, biasana sok kirang sae, oepami tatjan pasti jen aja pidjělěmaeunana anoe baris molah djeung saena.

Oepami teu aja plsan djělěma anoe daekeun mělakan eta tanah, ari Kapula-afdeeling nganggap, lantaran aja sabab-sababna anoe sah, pěrloe katjida eta tanah teh dipelakan pikeun kadaharan tatali-hoerip, andjeunna kenging njanggakeun voorstel, soepaja eta tanah dipělakan koe Goepěrněmen atawa koe Zelfbestuur dikoelikeun. Pikeun di tanah Zelfbestuur kedah badamt heula djeung Zelfbestuurna tea.

Oepami eta tanah tea disina dipělakan bangsa tatall-hoerip koe oerang Priboemi anoe daraekeun molah moegi diemoetkeun, jen hal eta teh, tiasa oge ngadjadikeun karoegian ageng ka anoe gadoeh tanah. Sanes parantos taringali sadaja oge, jen oerang Priboemi teh gagabah katfida kana ngoeroes tanah, narekahan soepados gěmoekna oelah paralid teh? Ngoeruesna tanah indjeuman mah tangtos langkoeng lalawara deui, da rasana sanesna anoena tea. Oepadi tanah² anoe lalamping mah, geus tangtos beuki loba bae gemoekna anoe paralid teh;: toeroeg deuih di tanah anoe karitoe mah pangasilanana sok saeutik pisan. Koe hal eta pěrloe, ditimbang heula, naha pangasilanana kinten satimbang sareng karoeksakanana? Djadi dina hal ieu kedah ati-atl pisan mětakeunana atoeran teh.

Dina ajat katiloe artikel 1 disebatkeun, jeu eta tanah dipasrahkeun ka Kapala-afdeeling kalawan pertjoemah.

Di tanah partikoelir kědah diemoetkeun, jen tanah anoe dibikeun koe toean tanah pikeun dipělakan bangsa tatali-hoerip, eta teu keuna koe tjoeke. Tapi oepami anoe nikeunna oerang Priboemi anoe matoeh di tanah partikoelir sarta tanah anoe dipasrahkeun teh tanah oesaha", eta djělčma lětě kědah majar tjoeke ka toean tanah,

Di karesidenan anoe aja concessie-talanen, bakal kadjadian hal ieu: Koe sabab artikel 6 něrapkeun oge pamaksa ka noe garadoeh concessie, padahal eta tanah teh tuahna Zelfbestuur anoe dipake koe noe garadoeh concessie tea, nanging bal anoe saroepa kieu henteu kasebat-sebat ti tadina, henteu dibarempagkeun. [ 133 ]Patjantel djeung hal anoe kasěbat di loehoer, ngahatoeranan pakemoet pikeun di tanah² Zelfbestuur anoe tatjan kedjadian tjara di toehoer bleu, nérloe pison eta Zelfbestuur dipaparin katěrangan anoe anggeus tina hal maksoed djeung pilarapeunana eta pangatoeran, sarta koedoe disébatkeun, jen hal feu teh oeroesan anoe pěrloe pikeun earerea, sarěng teu kaboedjěng dibarěmpagkeun heula ti awalina, lantaran katoengték pisan; kawoewoeh deuih, lantaran purnntos kakintěn jen Zelfbestuur moal mondah kana hal anoe sukieu pěrloena.

Di karěsidenan² anoe aja ambtenaar-tatanen, pěrloe eta ambtenaar ditarik kana koemisi² anoe diajakeun noeroet ajat kadoea artikěl 1. Sarta oepami di dinja manggih roewěd dina ngadjalankeunana ieu ordonanai, lěbah hal oeroesan tatanen, sae pilsan cepami moendoet timbangananu eta ambtenaar. Nja kitoe devi pikeun neangan tarekah anoe sakintén matsak hampang ka djělěma² anoe keuna koe atoeran pamaksa-péptlakan tea, tiaraning noeloeng ngajakeun binth anoe hade dina mangsana ance panghadena, pěrloe pisan moendoet pitoeloengna Landbouwleeraar di dinja.

Oepami saparantosna dilpariksa katembong, jen tanah² anoe ngaroblog anoe pisaetun pikeun dipělakan bangsa tatali-ehoerip tea hěnteu tlasa digarap lantaran taja modal, sarta anoe bade ngagarapna hajangeun nglndjeum artos, toer parantos katimbang jen jaktos pisaetun oepami diindjeurnan teh, sarěng pitlasaeun majar koe pangaslianana deuih, ari bank desa hénteu koeat noeloeng; oepami katimbang kitoe, Andjeun kKagoengan kawasa ngajakeun hidji atoeran kalawan pitceloengna Pamarentah, pikeun maparin ngindjeum artos ka eta djělěma².

Kadjabi ti eta, pěrloe di dieu ditjarioskeun, komo pikeun těmpat² anoe djolok, kědah ditimbang-timbang pisan dina milina tanah Sarěng milihna pělakeuneunana, kitoe deui pingadjoealeunana pangasilan, soepaia aja ploentcengeunana. Pikeun ngadjoeaina eta pangasilan, sakenging-kenging pérloe pisan eta djělěma² ditoeloeng, oepadi djělěma² anoe teu garadoeh mah.

Ari hal paroeroegi (ganti karoeglan) nadjan meureun moal dileungitkeun oge, timbangan Pamarentsh hal paroeroegi teh, galibna teu kenging didaměl pěrdjangdjian.

Djadi di dieu hěnteu pěrloe koering ngahatoeranan pepelling, soepaja oclah ngadamél djanedji hal paroeroegi. [ 134 ]

28. ROEPA² KANJAHO.

a. BANDERA WALANDA.

Beunang disěboetkeun ti sumemeh windoe ka gěněpwělas keneh, kapal² dagang Walanda marake bandera: beureum, bodas djeung biroe; ngan parelena ngarentetkeunana roepa, kadungkala hěnteu saroea.

Bandera² djaman ajeuna noe dipuke koe lolobana bangsa, noeroetkeun tjitjiren (wapen) radja², karana ti baheukt oge, di oenggal² moenara benteng (kasteel) suk marake bandera, roepana noeroetkeun roepana wapěn menak² noe ngalinggihan eta kasteel.

Awitna Graaf² di nagaura Walanda dina wapěnna make singa beureum; barang geus njorok ka menak² anoe noeroenkeun radja di Beieren, anoe wapěnna make toerihwadjit bodas djeung biroe, toeloej bae bodas djeung biroe teh ditjokot dihidjikeun djeung beureum tea, nja djadi tiloe warna; beureum bodas djeung biroe; ti harita sěbrak, panto kareta djeung montereng panakawanana, kabeh make warna tiloe tea.

Ajeuna masih keneh aja gambar² koena, ngagambarkeun kapal² anoe dina tahoen 1536 keur balaboeh di IJ deukeut Amsterdam, eta kapal² lolobana marake bandera: beureum, bodas ajeung biroe.

Ti tahoen 1660, nja eta ti barang Prins van Oranje beuki tambah bae kaagoengunana sarta toeloej djadi Senapati pisan, ngapalaan balad-baladna, měrangan oerang Spanjol, harita timboel djingga, mětik tina ngaran taneh ěrehanana, Oranje.

Ari roepa noe djadi tjitjiren Prins van Oranje-Nassau anoe dianggo dina wapěnna, roepa tjampoeran, nja eta pikeun Nassau: biroe djeung koneng-ěmas; pikeun Oranje: tarompet-pamoroan anoe roepana biroe disapoet koe perak (bodas) djeung make beureum; djadi beureum, bodas djeung biroe.

Prins koe andjeun kaprabonna: dfingga, bodas djeung biroe: djadi roepa djingga teh ngaganti roepa beureum.

Samemeh tahoen 1600 bandera² dipapaesan koe appel-djingga djeung daoen-djingga atawa koe paribasa karaton Oranje: noe oenina dina basa Parasman „Je maintiendrai” hartina: „Kami baris ngoekoehan”.

Sanadjan dina tahoen 1587 djingga, bodas djieung biroe teh ditětěpkeun koe Officieel, tapi noe diparake dina kupal² mah beureum bae, karana pikeun di laoet leuwih njatjas. Nja dina tahoen 1796 ditětěpkeun koe officieel, jen djingga teh koedoe diganti deui koe beureum.

b.SIREUM

Sireum kaasoep kana bangsa Sih ston sek penhoehoetan, sabab [ 135 ]salawasna oge hiroepna sok ngaboeboehan bae, tara sukoerěn2 tjara sato lianna. Loba bangsa sireum anoe panjeureudan, tapi loba oge anoe hěnteu. Anoe panjoureudan ana maehan moesoehna atawa ngala mamangsanna teh, sok koe diseureud, toeloej tatoena diklihan minangka peurahna; ari anoe teu panjeureudan mah ana maehan mamangsanna teh koe digegel bae, sanggeus kitoe toeloej měléngkoeng nglihan tatoe tea. Sireum hiroepna istoe goejoeb saoejoenan djeung batoer, sagala gáwe teh dilampahkeun kalawan atoeran anoe beres djeung titi katjida, Geuning oerang oge sok minděng mireungeuh sireum ngarěj ngagoesoer kahakanan anoe pueloeh2 kali leuwih gěde batan manehna kana llangna.

Anoe matak heměng katjida ka oerang, eta mireungeuh imahna; make pirang<sup2 pangkeng djeung bloes-blas lawang parantina kaloear-asoep, něpi ka djèro pisan di djěro taneuh.

Rinjoeh kaasoep kana bangsa sireum keneh; di Amerika geus aja noe manggihan imah rinjoeh anoe loehoerna ti 3 něpi ka 7,5 M., sarta teuas kabina-bina, datang ka dipoerajkeunana oge koedoe koe dljnamlet.

Di djěro imah rinjoeh koedoe bae aja gateuw, minangka ratoena, gědena leuwih gede ti rinjoen noe rea, ari gawena euweuh deui ngan poerah anakan bae. Salian ti eta di nagara sireum teh aja anoe minangka serdadoena, nja eta sireum2 anoe poerah iděr-iděran barangsiar, nareangan kahakanan, djeung dina lěbah aja bantjang-pakewoeh anoe koedoe ngadjaga nagara ngalawan moesoeh anoe ngaroeroeg ka nagarana; kadjaba serdadoe tea aja deui sireum anoe djadi pagawena, nja eta poerah ngoeroes sagala gawe di imah. Ari anoe babakoe eta pagawe teh, koedoe ngoeroes ěndog ratoe tea. Eta ěndag koe ratoena digoendoekkeun dina hidji pangkeng; ajeuna koe pagawe tea, lamoen měněran hade poë, koedoe dibawaan hidji-hidji ka loteng imahna, di mana hoedjan koedoe diakoetan deui ka pangkeng<sup<2 anoe di djěro. Lamoen anak sireum tea kira2 geus meudjeuhna ka loear, hartina si ěndog geus meudjeuhna měgar, pagawe koedoe meupeus-meupeuskeun tjangkang ěndog tea koe digegel, nja djol bae anak sireum teh tingkarajap baridjil tina djěro endog2 tea.

Gateuw sakapeung bisa ngandoeng ěndog djoemblah beuratna 2000 kalieun beuratna awakna sorangan. Biasuna tjitjingna misah dina hidji pangkeng parantina, ajana dina těngah2 imahna. Ari kakoeatan ngěndogna gateuw teh dina sadjam bisa ngaloearkeun 3600 ěndog.

e. MAMALANA LALEUR.

Istoe matak heran, bět masih loba keneh bae djělěma anoe émhaengeun ngandel, jen laleur teh gěde pisan mamalana kana [ 136 ]kasehatan badan. Adatna laleur teh rampoes djeung salilana proek-preuk bae tina kadaharan ieu pindah kana kadaharan noe sedjen. taja pisan eureunna; lamoen manggih kabeukina teu ketang ka seubeuh, dibelaan ngoetah-ngoetahkeun kahakanan anoe geus dihakan tea, da hajang ngahenggoj kabeuki tea. Gawena iděr-iděran neangan laoek noe geus boeroek atawa bangsa kokotor anoe mimiti boejatak, sabab karěsěpna di noe karitoe ngěndogna.

Sarerea oge tangtoe geus maranggihan dina bangke noe geus boejatak djeung dina roentah² noe geus baroeroek sok ěnjoet koe bilatoeng geuning; tah eta bilatoeng² teh nja ěndog laleur anoe malěgar, sarta lila² eta bilatoeng teh nja djadi laleur.

Pangna laleur gěde mamalana teh, nja eta koe sok oetjlak-atjlok pipindahan tea, malah sakapeung mah djaoeh katjida lalakonnna. Oepama lar aja koeda atawa djělěma ngaliwat, preuk eunteup miloe. Lamoen laleur teh ngaliwat djarian, heug di dinja kaběněran aja kokotor djělěma anoe katěrap kolera atawa panjakit beuteung lian ti eta noe sok tepa, hiběr ka dinja, boa eunteup oge kana kokotor tea, ti dinja hiběr asoep ka djěro imah, eunteup kana laoek atawa kadaharan. Djadi eta kadaharan teh kaasoepan koe bibit panjakit anoe kabawa tadi koe laleur dina soekoena; atoeh djělěma noe ngadahar eta kadaharan teh sasat ditepaan panjakit bae. Nja kolera, menter, tadjam (dijaenterie) djeung lian ti eta teh djadi něrěkab, da ditepa-tepakeun koe laleur tea.

Koe sabab eta pěrloe katjida dibasmi laleur teh, djadi sakoer noe kapanggih koe oerang koedoe dipaehan.

Sakoemaha ngarěkahanana ari laleur?

Hidji laleur dina satahoen bisa anak-baranahan něpi ka 60 000 000 000 000.

Koe hal eta oerang koedoe neangan akal, njiar tarekah, koemaha pěetana nja ngala laleur. Aja akal sedjen, toer leuwih gampang deuih, nja eta koe tětěpak-laleur: ari tětěpak laleur anoe panghadena: gagangna koe hoii atawa awi beunang ngaraoet, tětěpakna koe ram kawat. Lamoen oenggal poe koe oerang, laleur teh, dialaan koe tětěpak, lila-lila tangtoe moal loba laleur di imah oerang.

d. BAHAJA BANGSA MANOESA ANOE LANDES

Bangsa monjet anoe leuwi djělěma ti batan monjet ano sedjen, ieu: Gibbon, siamang, orang-oetan, Chimpansee djeung Gorilla. Koe saab eta sok disarěboetna og, monjet bangsa eta manoesa. Kaajanana bangoen tanggkorek, toelang-toelang, berat-berat, djeudjeutan oerat² djalan gětih, monjet mah .... pisan djeung djělěma. [ 137 ]Arl bedana k a a ja a n anggahota d jëlëm a djeung m onjet, ngan Ieu:, d jëlém a oeteukna leuwih b eu ra t b a ta n m onjet, hoentoe hareupna leuwih laleutik, boga. hlkm ah ngomong kalaw an te te la ' djeung' térang kadengena d jeung lan taran boga hikm ah ngomong tea,, djadi oeang djeung letah n a oge beda tl m on jet, toeloej obahna bangoen leungeun djeung suekoe. d jad lna lroeng deulh, kauja&n oeteuk ( h e r s e n w l n d l n g e n ) , k a a ja a n hate, kaboeb< eahan* séngaërëpan oerat ......... d jeung salianna. B an g sa nionjet anoe hoentoena melv saroea djeung hoentoe djëlém a, Chim pansee; ari anoe meh earoea paaang-rakit-aw akna, iroengna djeung k aa ja an pangeuai beuteungna, Gorilla. O rang-oetan roepana meh slga pisan dJSlfima s a rta pĕlit djeung loba ak aln a âeuih, ngan dina lroeng beda k a tjid a , djeung Indoengsookoena deuih noe sedjen teh. A n tara djëlëm a djeung: m onjet, nëpi k a a jeu n a ta tja n kapanggih keneh bae bangau sato naon anoe m inangka djadi sam boenganana ataw a tjantelam uia. A ja noe palintër anoe nglra, je n m angjoetajo eta tahoen k a toekang djĕlĕm a teh roepana sig a m onjet, tapi Lraha mimllimv djadi ban gsa djëlém a teu a tja n a ja anoe blaa nëtëpkeun. K utoekang geus a ja no» pintër noe m angglhan tang korek P H h e o a n t h r o p o s e r e e t u s tl Poelo X»jaw a, s a rta dilcira-kim moal gagut n ja «ut bangsa nato unow njam boeng bangsa djëlém a djeung m onjet teh. c.

NOETJJGT B E U S I.

B arang 5 beusi anoe avek d itje t koedoe dibërëalhan heuia, n ja e ta dikoaok sin g k a tjid a koe benzine, Beuai gĕblegan djeung beual anoe b'eunang neupa sam em ehna d itje t teh, sad jêro satëngah fljnm a ta w a tlioe-parapat djam koedoe dlkeueum koe zoutzuur beunang njam poeran; geus kitoe diasoepkeun kan a tjiapoo, tëroes -dikoembah koe tja i ngagolak, ti d in ja dltoehoerkeun koe talragadj». Lam oen barang 3 beuxi teli baris raran tju n g , përloe d iatoer kieu n g ëtjetn a: B eusl-beusi u*;i koedoe d itje t sing ipis bae tap l hade djeung Imeut moela.sua, ;»ri tje in a anoe disĕboet l o o d m e n l e tea, (n ja eta 85 bugian im'iiie, imgian Jijnolie d itaheu r d jeung loodoxljde, djeung 1. Imgian terpentljnolle). Lam oen e ta tje t geus teu a s a a rta garliuc énjn. ilataiig kw hunoen oerang napëikeun kërtaa soeoeb Isa d inja leu «laekeun rnp&t, toeloej d itjet deui koe tje t menle keneh. K aiidélna lapis kahldjl tadi djeung ieu lapis kadoea koedoe anroea, ije u ia oelah nĕpi ka njorosod auu va karlwëd. Sanggeus iHtjwt doea lupin, beusina koedoe boeni kalarapoed, oelah temljong saeu d k-eiillk a tja ti. [ 138 ]Sanggeusna lapis kadoea garing djeung teuas ěnja, kakara koe oerang ditjet koe ,,tjet bodas-timah", sing ipis bae. Ari anoe disěboet ,,tjet bodas-timah" teh, nja eta; tjampoeran bodastimah 75 bagian, lijnolle 20 bagian digodog djeung loodmenie tea koedoe kalimpoedan pisan, oelah aja tembong meusmeus atjan. Ari ngoelaskeunana tjet koedoe lalaoenan sarta ka pangdjangna; tapi arti ngětjet beusi lambaran mah ka handap oge moelasna, hade.

f. NOETJET BATOE

Beungeut batoe anoe koe oerang arek ditjet koedoe toehoer ěnja. Komo pelester anoe didjieun koe sěmen-portland mah koedoe toehoerna teh djeung koedoe geus teuas pisan deuih. Beungeut batoe anoe arek ditjet tea koembah heula koe haseum-walirang (zwavelzuur) tjampoeran, nja eta: 1 bagian haseum-walirang ditinjoeh koe tjai 100 bagian.

Lian ti koe haseum-walirang, meunang oge koe koolzure ammonia tjampoeran 1 kana 50, atawa koe 1 injollezuur oge hade.

Lamoen rek nieun gambar koe tjet dina tembokan, koedoe didasaran heula koe taneuh-porang diadoek djeung gips.

g. NOETER KAI

Kai anoe dina saloehoereun taneuh sok diter koe ter Zweden ari anoe kakoeboer hadena koe kaultreer; tapi aloesna eta kai teh koedoe dibeuleum heula sina rada toetoeng kakara diter.

h. NGADEMPOEL KAI

Di Hindia Nederland anoe sok dipake ngaděmpol kai disěboetna ,,mudjoem". nja eta paku diadoek djeung minjak soeoek make apoe; ari di sedjen nagara pakal diadoek djeung ter djeung gngala.

i. TEMBOKAN

Bilik tembok atawa koeta perioe make bata dina 1 M². ± kapoer 0,175 M². djeung keusik 0,350 M². Leuwih hade oelah make sěmen beureum.

Ari pikeun paděmen, dina 1 M² 500 batoe kapoerna 0,175 M², keusik 0.175 M². djeung sěmen beureum 0,175 M². [ 139 ]

j. NGETJET KAI.

Kaina koedoe toehoer pisan djeung koedoe dihampĕlas heula sing hade make hampĕlas beusi atawa daoen hampëlas.

Toeloej dipoelas sing walatra koe lljnolie atah djeung kapoer saeutik. Eta minjak koedoe sina njĕrĕp pisan. Geus kitoe toeloej diratakeun make tjet noe disêboet „stopverf”. Ti dinja dipoelas deui koe tjet menie (bodastimah) ĕngke di mana eta tjet geus toehoer pisan, kakara ditjet koe tjet sakahajang oerang.


k. PANOLAK KANA BOEBOEK.

Bangsa mebĕl atawa barang bangsa kai noe koe boeboek, koedoe ditoetoep masing rekep pisan dina hidji pangkeng. Toeloej njokot paso dieusian lĕboe. Ti dinja dipoeroeloekan salpeter djeung walirang-beunang njampoerkeun, sabagian salpeter 15 bagian walirang, toeloej disoendoet. Pikeun dina pangkeng anoe gĕdena 50 M2, tjoekoep koe 1600 gram oge. Eta pangkeng koedoe ditoetoep, lilana 2 atawa 3 poë (oerang koedoe ingĕt, jen haseup walirang djeung salpeter teh, matak hideung kana barang tambang, koe sabab eta samemeh kamar teh ditoetoep, sakoer bangsa barang tambang koedoe dikaloearkeun heula).

Akal anoe kadoea, barang noe koe boeboek teh lĕbah noe koe boeboekna koedoe diantjlomkeun kana soeblimat 10%.

Akal noe panggampangna, ka djĕrona diantjret koe minjak tanah djeung terpentijn, sing mindĕng.


k. NGADJAR KOEDA.

Lamoen koeda oerang barang nĕpi ka hidji tĕmpat oedjoeg2 ngadjĕnghok, oelah bae koe oerang rek diadjar koe dipĕtjoetan atawa dirangketan koe ĕles; sabab kabiasaanana ana ngaliwat deui ka lĕbah dinja, sok toeloej ingĕteun kana siksaan noe bareto, datang ka djadi beuki sieuneun.

Koeda anoe borangan koe oerang koedoe dibebendjokeun, oelah sina neuleu barang anoe pikasieuneun tea, atawa lamoen teu kitoe, koedoe ditĕmpokeun sama sakali kana eta barang, sina diilikan diawas-awas, mambrih njahoĕun jen eta barang teh saĕnjana lain naon2. Noe toempak atawa koesir sabeunang-beunang koedoe awas, koedoe leuwih ti heula nendjo eta barang, koedana diomongan, ditoengtoen ĕlesna, sina oelak-ilik kalawan sabar djeung titi.

Lamoen aja koeda noe boga adat sok nongtot letah, hade ditarĕkahan kieu: di mana geus dirarangkenan, letahna koedoe dipoeroeloekan oejah saeutik, dina lĕbah kadalina. Lamoen, teu kitoe diakalan make radjaoet-letah, toengtoeng letahna diasoepkeun kana [ 140 ]eta radjoet, toeloej eta radjoet dipageuhan kana kadalina atawa kana rantena.

Kadali koeda ngora, koedoe mindeng digoenta-ganti; djeung oelah pisan rek make kadali rangah.

Pikeun narekahan koeda anoe sok njogot, biasana koe diparaban daging domba ange gadjih. Gadjihna sok narapěl kana hoentoena, eta matak ngaleungitkeun kana adatna sok njogot.

m. BAB HOEDJAN (¹).

Ari noe diseboet hoedjan koe oerang, nja eta tjai anoe ragrag ti langit, lain koe djělěma, tapi kaajaan alam bae. Ti mana datangna hoedjan teh?

Basa koering leutik keneh mindeng pisan ngadenge tjarita, jen noe ngajakeun hoedjan teh Batara Narada. Tapi ajeuna mah sarerea oge geus njaho, jen hoedjan leh asalna mega.

Lamoen aja noe nanja: naon ari mega teh, djeung ti mana datangna, djawabna saperti di handap ieu.

Di sakoeliah boemi, aja tjai, ari kadeuleuna aja anoe woedjoed tjai, es djeung saab. Saab henteu aja roepaan djeung teu aja ambeuna. Děmi saab anoe djiga halimoen anoe njamboeang tina tjal noe ngagolak, eta saab anoe geus djadi tjai lalemboet pisan.

Ari mega, eta saab anoe geus robah djadi tjai.

Tjai noe djadi saab teh nja eta tjai anoe kapanasan. Koe hal eta lolobana saab teh ti laoet anoe kasorot koe panonpoë, sapěrti: Laoet gede, Laoet Djawa, Laoet beureum djeung salian ti eta anoe deukeut ka Chattoe'listiwa. Koe sabab boemi djeung tatangkatan aja tjalan, djadi di mana-mana oge aja saab. Saab teh diseuseup (absorbeeren) koe hawa biasa, dibawa ka mana-mana (sabab ěnja-ěnjana angin teh nja eta hawa biasa noe obah). Lamoen saab teh nepi ka těmpat noe tiis atawa ka tempat noe loehoer (sarerea oge njaho, jen těmpat noe loehoer teh leuwih tils ti batan těmpat noe handap) hawa teu bisaeun ngampihan saab noe diseuseup tadi. Saab teh misah tina hawa, robah djadi tjai. Dina mimiti ngadjadi, eta tjai henteu ngahidji tapi paboerentjaj sarta lalemboet kabina-bina. Nja noe koe oerang sok diseboet mega tea, ana geus koempoel toeloej ragrag, ngadjadl hoedjan.

Eta tjai anoe ragrag djadi hoedjan tea, robah deui ngadjadi saab, eta saab djadi deui hoedjan. Kitoe bae salilana ngoebeng tjara roda panggilingan. Koe ngo bêng tjara roda panggilingan kitoe teh, lain ngan tjal bae, loba deui djirim sedjen noe ngoebèng kitoe, tjaraning: zuurstof djeung kooldioxijd.


(¹) Karangan djooragan K. Prawira Soomarta, Bogor. [ 141 ]Aja noe nanja kieu: „Naha běněr saab noe meunang hawa tiis teh sok djadi tjai?”

Pikeun nerangkeun jen běněr saab noe keuna koe hawa tils teh robah djadi tjai, ilikan bae gělas anoe dieusi es; tara koengal lila, tangtoe eta gělas di loearna baseuh. Tjal noe aja di saloeareun gélas teh, lain asal ti djěro eta gělas, nja eta tina saab anoe keuna koe tiisna es tea, noe aja di sakoeriling eta gělas.

SAMBOENGAN BAB HOEDJAN.

Di loehoer geus ditjaritakeun, jen sakoeriling oerang teh aja saab. Eta saab asalna tina tjal anoe katjampoeran koe hawa noe leuwih panas ti batan tjal tea. Lobana tjal anoe djadi saab, noeroetkeun koemaha baseuhna djeung keringna hawa, koemaha obahna djeung padětna hawa djeung djaba ti eta.

Koe sabab eta, henteu di oenggal² tempat saab teh saroea lobana.

Lamoen hawa noe mawa saab teh ditlisan,, tangtoe mawana saab, henteu bisa saroea lobana djeung samemeh ditlisan. Lamoen hawa teh koe oerang ditěroeskeun ditlisanana, tangtoe hawa teh mětět koe saab, lamoen ajeuna ditěroeskeun bae ditilskeunana, teu meunang henteu, saab teh robah ngadjad! tjal atawa es.

Djadi hawa panas teh ngamplhanana saab, bisa leuwih loba ti batan hawa tiis. Koe sabab eta, angin anoe něbak ká těmpat noe panas, henteu ngagajoeh hoedjan, nja kitoe deui angin atawa hawa noe moedoen ka těmpat² noe harandap, lantaran tempat noe handap teh leuwih panas ti batan teěmpat noe loehoer, eta oge henteu ngagajoeh hoedjan.

Sabalikna lamoen hawa ti tempat noe panas ngotjor ka těmpat noe tiis atawa nandjak ka těmpat noe loehoer, tangtoe loba saab anoe lesot tina hawa tea djadi tjai, sarta toeloej djadi hoedjan.

Lamoen aja angin anoe mawa saab loba, něbak ka pagoenoengan atawa ka goenoeng, tangtoe toeloej ka loehoer, nandjak ka poentjak goenoeng. Ela angin, pastl bakal ngajakeun hoedjan; tapi lamoen geus ngaliwatan eta goenoeng, moedoen deui, eta angin teh teu bisaeun ngagajoeh hoedjan, malah mawa panas.

Ieu katěranganana di handap:

Běněr oge angin teh djoina ti Koelon-Kaler, tapi hoedjan, di Bogor leuwih loba ti batan di Batawi, sabab Bogor leuwih loehoer. Tapi di Bandoeng, bêněr oge leuwih loehoer ti baian Bogor, hènteu loba hoedjan tjara di Bogor. Ari sababna hawa anoe ngotjor ka Bandoeng teh, saabna geus meh beak.

Tjonto anoe leuwih terang, nja eta di Poelo Ceram.

Eta poelo loehoer oge, sarta ngoedjoerna ti Koelon ka Wetan. Mimiti ti boelan Mei népi ka boelan September anginna ti Kidoel-Wetan. Waktoe eta, sabeulah Kidoel eta poelo aja hoedjan, ari [ 142 ]di sabeulah Kalerna, oesoem katiga. Tapi ti watès boelan November něpi ka boelan Maart, angin teh ti Kaler-Koelon, waktoe eta, di sabeulah Kaler eta poelo, loba hoedjan (oesoem ngidjih), di sabeulah Kidoel panas (oesoem katiga).

Kaajaan noe saroepa kitoe teh lain dinja bae, tapi di tempat² sedjen oge aja, tjaraning: di Amerika sabeulah Kidoel, di Sěpanjol, di Bohemen djeung sadjaba ti eta.

n. BAROEANG MANOESA.

(Beunang mětik tina boekoe „Paniti sastra”
djeung lian-lianna).

Baroeang anoe ibadah nja eta lamoen hatena henteu soetji, djeung pikiranana roedjit, djadi kotor henteu iman; djělěma anoe kitoe ibadahna batal.

Loembrahna sagala pagawean, lanioen henteu dipake enja³, toengtoengna gaplah bae, ibarat oerang mělak sisikian noe kopong, teu beunang diarep-arep boeahna.

Baroeang anoe miskin, nja eta sagala omonganana, sanadjan běněr oge, disangkana koe djělěma bohong bae. Teu aja pirěmpoegna noe kadjadian, sagala kahajangna gaplah bae. Hadena mah djělēma anoe ditakdirkeun miskin mah sabisa-bisa měnding tjltjing. Lamoen boga kahajang na bae oelah tinggal doedoega pěrjoga teu beda djeung nembongkeun kagorengan dirina pribadi.

Baroeang landjang anoe hoeisan, matak handjakal ka noe nendjo. henteu narik kana hate. kana panon sok sareukseuk. Noe rek ngalamar, emboengeun, da geus ělat teuing. Hadena, awewe ditangtajoengan koe lalaki teh dina keurna ngora.

Djaman ajeuna mah sanadjan ngora keneh oge, lamoen henteu kasipoeh koe elmoe, kahadang koe pangabisa mah katendjona soerem bae.

Awewe anoe meunang pangadjaran, asal soerem beungeutna djadi tjahjaan eta teh pěrbawa elmoena tea. Komo deui oepama ninggang di noe geulls, djadi woewoeh geulis montjorong lir boelan poernama.

Djělěma henteu babar! hoeisan, lamoen henteu aja sababna. Ari tjara awewe noe geus kolot mah, lamoen henteu dipake kabogoh teh, eta geus loembrah.

Baroeang anoe oedoed, lamoen diseuseup. Tapi moenggoeh di noe oedoed, lamoen henteu diseuseup teh, eta kaasoep kana djělēma aneh djeung henteu matak poeas kana kareping ati. Djadi ari hadena mah: oelah tinggal doedoega pěrjoga.

Sanadjan sakoemaha gědena oge baroeang anoe oedoed, moal njoesoel ka noe ngamadat. Arl njeret mah sanadjan saeutik oge [ 143 ]tjandoena anoe kaseuseup, hĕnteu beda djeung noe neureuj ratjoer matih. Djělěma anoe njeret sameudjeuhnana, hade, anoe tara pisan njĕret, oetama, tangtoe badanna sĕgĕr.

Baroeang anoe babatoeran, nja eta lamoen hĕnteu sahate. Sagala lakoe lampahna katendjana ngan goreng bae: noe diarĕp-arĕn ngan moega² masing tjilaka. Lamoen noe saoerang manggih salah, noe saoerang deui soeka boengah. Nja kitoe deui sabalikna. Naha naon hadena anoe teu sahate teh? Tjinděkna anoe babatoeran, tapi hĕnteu sahate teh, doeanana djadi ibarat baroeang.

Baroeang anoe noelis, nja eta lamoen diadjak ngawangkong. Lamoen aja noe noelis bari ngawangkong, eta air neundeun baroeang dina kĕrtas, tandana sagala pagaweanana anoe dipigawe hĕnteu aja noe anggeus. Sabisa-bisa noe digawe teh koedoe ngahidjikeun pikiranana kana pagaweanana anoe keur dipigawe tea.

n. INTEN.

Di antara bangsa permata, intěn teh noe pangpoendjoelna. Pangna dipikarěsĕp teh nja eta koe lantaran tjahajana aloes teu aja tandingna.

Noe pĕrloe dikanjahokeun heula koe oerang nja eta ti mana asalna intěn teh djeung koemaha kapanggihna?

Noe loba intěn babakoena di Amerika Kidoel, Afrika Kidoel, Hindia Inggris djeung di Hindia Wetan, nja eta di Borneo.

Ari di Borneo těmpat pangalaanana di karěsidenan Borneo beulah Kidoel-Wetan deukeut Martapoera djeung di karěsidenan Borneo beulah Koelon, toeroet sisi waloengan Landak djeung Sikajan, leu waloengan doeanana sekena bangawan² Kapoeas di beulah katoehoe.

Děmi djalana intěn teh aja noe ti djěro taneuh, aja noe ti dasar waloengan atawa ti djěro keusik tjampoer djeung boeboek tjadas.

Loembrahna intěn noe asalna tina boeboek tjadas, leuwih mahal ti batan anoe asal ti djero taneuh.

Koe sabab eta intěn Borneo noe babakoena timoena tina keusik lěmboet, leuwih mahal hargana djeung katjida pisan dipikarěsěpna.

Karikil anoe dieusi intěn, koe oerang Priboemi diseboetna „arěng”. roepana hideung djeung teuas. Djadi oelah dikira ari neanganana Intěn teh gampang boeh-beh harerang balatak dina keusik. Hih bangga katjida. Di mana eta batoe tea geus diasah koe toekang njarawedi, kakara intěnna tembong ngagěntjlang. Ari gědena beda-beda.

Di Amerika djeung di Afrika batoe² noe kitoe leh ajana di djěro taneuh, djěro pisan.

Di dinja djalma² teh koedoe ngali taneuh djěro pisan njleun [ 144 ]Inten CULLINAN, roepana djeung gědena saroea djeung boektina basa kapanggih ti pangalian New-Premier, di Transvaal (Afrika-Kidoel); beuratna 3024 karaat.

Eta Inten koe oerang Transvaal dibaktikeun ka Radja Inggris. Koe Radja


Inggris ditimbalan digosok di firma Asscher di Amsterdam, nja eta toekang-sarawedi anoe panggěde-gèdena. Eta intěn didjieun doea, nja eta Cullinan djeung Cullinan II. [ 145 ]

Cullinan I, beuratna 516% karaat. Cullinan II, 309, karaat. Doeanana digambarkeun saroea djeung boektina.

[ 146 ]torowongan² heula, kakara bisa tépi kana lapis taneuh biroe anoe sok intěnan.

Eta taneuh teuas noe semoe biroe anoe tinggoeroentoel teh toeloej dikědoekan, aja anoe dieusi intěn, gědena panta², aja noe dieusi barang tambang sedjen, baoer bae.

Ari misahkeun batoe noe intěnan lian barang tambang, nja eta koe ngagoenakeun bakatna eta batoe, sok narapěl kana medja noe beunang ngoelasan koe gadjih, da ari batoe noe sedjen mah tara.

Pětana kieu:

Taneuh teuas noe sẽmoe biroe teh ditoetoean tepi ka lemboet pisan, toeloej diběrěsihan dina tjai, soepaja barang lian, noe harampang misah ngararambang, sanggeus kitoe kakara diawoerkeun kana medja anoe beunang ngoelasan koe gadjih. Toeloej dibandjoer koe tjai ati² pisan. Batoe² noe aja inténan narapěl kana medja, salian ti eta kabawa koe tjai.

Ti dinja batoe noe narapèl kana medja teh, toeloej diasah tepi ka djadi intěn djeung běrlian. Intèn noe galede langka pisan ajan, lolobana mah laleutik bae djeung noe lalemboet pisan.

Ari intën teh warna²: Aja noe bodas, aja noe koneng, semu beureum, kajas, woengoe, hedjo, biroe djeung hideung.

Lantaran permata-pěrmata teh mahal hargana, soedagar² pabisa-bisa bae neangan akal baris malsoe.

Koesabab eta bejana MeNang milih pèrmata weh, koedoe ati² pisan bisi katipoe. Komo deui orpama eta permata geus diwatangan mah, mariksana teh hese pisan Mindeng pisan poegoeh² kristal goenoeng madjarkeun teh intén batas, poegoeh² ratna tjampaka beunang masak soepaja kajas, madjar teh intěn kajas.

Aja deui noe palsoe noe diseboet ko basa walanda. „doubleeren van een steen" légèsna ditjampoeran koe batoe masakan noe saroea roepana. Intèn koneng bisa dileungitkeun konengna, pikeun sawatara lilana nja ta dikeueum lika dina ultram azijn atawa dina barang entjer bangsa eta noe sedjen.

Sakapeung dina inten noe geus diwatangan emas, merean roepana teh saeutik pisan, dina gosokan-gosokanana anoe samar anoe bangoenna toerih-wadjit atawa tjangkokna make dasar.

Kadjaba dipake papës, intén téh sok dipake kana pěrkara lian noe leuwih manpaat.

Sarerea oge geus unoeninga, Jen hiten teh sakitoe teuasna, eta sababna noe matak sok dipake ngarent inten deui, tipoengna nja noe sok dipake ngasah Intén tea.

Pikeun motong bangsa běling djeung poslen anoe dipake nja inten anoe geus beunang njeukeutan, kitoe deui pikeun ngoekir bangsa běling. Geuning gělas thermometer sok dibagi-bagi make schaal, tah eta goerat² ane sakitoe lalemboetna teh digoeratanana koe inten. [ 147 ]Ieu gambar, kaben saroea gédena djeung boektina.

a. Orloff, ditendjo ti loehoer; c. Orloff, ditendjo ti gigir;
b. Kohinoor, ditendjo ti gigir; d. Kohinoor, ditendjo ti loehoer;
e. Kohinoor, ditendjo ti handap; f. Regent; ditendjo ti handap;
g. Regent, ditendjo ti gigir; h. Regent, ditendjo ti loehoer.
[ 148 ]Akan diuji baca oleh Raflinoer32

D oktor hoentoe oge m okena bor anoe dipaksian koe Intën. Oge d in a koekoe pena (vulpenhouder) diintënan, noe m a ta k ta ra daekeun g-arah oge. In të n nae kam ushoer panggëde-gëdéna. dl d oenja slg an a kabeh' a s a l ti H lnd oestan. Anoe panggëdena n g aran n a Culllnan, gĕdena sagëde peureup, ictt in tën kagoengan k a ra d ja a n Inggrls b eu ratn a 51G% k a ra a t. K ad jab u e ta a ja deui Intën noe galëde n ja e ta : O rloff b eu ratn a 194% k a ­ ra a t. Ie u Intën a sa ln a dlpallng koe soldadoe P rasm an tin a mat:i hi<fcjl a r t ja dl tja n d l ban gsa B rah m a, toeloej dtdjoeal k a P rin s O rloff, koe an d jeu n n a disangR;ûv'-un k a K elzerln C a th a rln a I I di R oeslan. K o h -i-n o o r b eu ra tn a 186V& k a ia n t a sa ln a kagoenganana N ad ir Shah noe n aioekkeu n n a g a ra F erai, ti d in ja djad i kagoengan r a d ja Lahore to elo ej d ib ak tikeu n ka rad ja V icto ria d] Inggrls. R eg en t, h id ji intën anoe nioesna kabina-bina, b eu ratn a 13G k a ­ ra a t. A sa ln a sa la h -sa h ld ji bae moen teu tl H india In g g ris tJ norneo. A w ltn a pisan digaleuh koe Gouverneur M adras ti andjeunn a pindah k a G ra a f Orleans. Tf d in ja n ja djadi m ilik nagara P:rasm an toeg tëpi k a ajeu n a. p. B A R O M E T E R .

H aw a te h s a ë n ja n a b a ra n g keneh, ngan hënteu k ad eu ltu koe oerang1/ T a p i sa k o e r anoe geus d lad jar elmoe alam saeu tik-eutlkeu n m ah, ta n g to e b a ris a ngoepam akeun: koem aha w oedjoedna hawa, H aw a te h teu a ja bed ana d jeung barang* sedjen, m isiln a: tja i. k cu slk d je u n g aallan tl e ta . n ja e ta boga k ak oeatan paneueul. P a rioueulna h a w a beu n an g dioekoer koe lildji parabot anoe d lngaranan: barometer. A ri k ë tja p ..b a ro m e te r" teh a sa ln a tlna doea k ë tja p : „baro” d jeu n g „m eter*'. t,B a r o " = basa Jo en an ..baros” , h a rtin a „pan eu eu l". ..M e te r" = b a sa W alanda, h a rtin a ..oekoeran” ; djadi ..b a ro m e te r'’ teh h a rtin a o e k o e r a n p a n e u e u l n a h a w a . M eureun lo b a an oe m arao s leu alm ënak anoe geus aroeninga w oedjoedna d je u n g grawena barom eter, tap j m oal g ag al loba deui anoe t a t ja n ta rîn g a li bënër*. B aro m eter teh a ja roepa* pisan. k a ja n ln g : b a k b a r o m e t e r . b e r e b a r o r n e t e r . h e v e l b a r o m e t e r . w l j z e r b a r o m e t e r , m e t a a I b a r o m e t e r. h o * l o a t e r i e b a r o m e t e r djeuns: djalm tl eta. M am brih te te la pisan. ajeu n a koe sim koerlttg baris d itjaritak eu n s a d ja ra h n a e ta oekooron-paneueul-haw a teh. K ieu a s a l-a sa ln a : A ja hid ji djSIôm a, di Kuropn, d.IPnCngnnana T O R R IC E L L I, a n ­ d jeu n n a k ag oen g an m m nanahan kieu: K oe sab ab h aw a teh geus n ja t a a ja woedjoedWL d jeu ng J»oga tliijsi-puneuoui .leuih. toer neueul[ 149 ]
na teh tara anggěr, djadi tinangtoe djělěma bisa nganjahokeu obah-obahna hawa. Toeloej bae andjeunna ngadaměl hidji parabo keur ngitoeng dajana paneueul hawa tea. Pětana kieu:

[ 150 ]Toean TORRICELLI njekel doea solobong gëlas anoe make toetoep toengtoengna sabeulah; anoe hidji pandjangna ½ M., anoe sabeulah deui 1 M. Eta doea solobong ditangtoengkeun, dasarna (toetoepna) ti handap; tjoer dieusian erperak něpi ka parinoeh; geus kitoe toeloej dibalikkeun, soengoetna ditoetoep heula koe ramo — harita. geus sadia pinggan beunang ngeusian koe erperak keneh — soengoet eta solobong teroes diasoepkeun kana pinggan tea rada djěro, sababaraha c.M. Toeloej ramona dilesotkeun tina soengoet solobong teh, djadi eta solobong tjitjingna tibalik, ajeuna mah toetoepna tjlok ti loehoer, soengoetna ti handap.

Barang diilikan, solobong noe ½ M. mah, eusina anggěr bae pinoeh; tapi ari solobong anoe 1 M., erperkana toeroen, ngan kari 76 c.M. deui saloehoereun beungeut erperak anoe dina pinggan.

Sanggeus kitoe toean TORRICELLI toeloej deui njoba tjara anoe ěnggeus, tapi ajeuna mah solobongna make anoe pandjang bae sarta leuwih gěde batan anoe tadi.

Ilikan gambar No.1.

Eta solobong boh ditangtoengkeun pantjeg tjara gambar No.1A. atawa ditjondongkeun tjara gambar No. 1B., loehoerna erperakna saroea bae, nja eta tina beungeut erperak anoe dina pinggan teh, anggěr 76 c.M. Dina saloehoereun erperak, eta solobong kosong taja hawaan, koě basa Latijn eta noe kosong teh disěboetna vacuum, pisoendaeunana soewoeng.

Koe pěrtjobaan² anoe geus didjalankeun tea, toean TORRICELLI bisa njieun patokan: daja paneueulna hawa kana perak dina oenggal² 1 d.M² atawa 1. c.M². saroea djeung beuratna erperak anoe roebakna 1 d.M². atawa 1.c.M². loehoerna 76 c.M.

Ari babandingan beurat erperak 13,6. Djadi lamoen erperak atawa tjai koe oerang beunang dipasagikeun atawa dilondjodkeun, erperak anoe roebakna 1 d.M²., loehoerna 76 c.M., eta saroea djeung beuratna tjai anoe roebakna 1 d.M²., loehoerna 13,6 x 76 c.M. = 1033,6 c.M. = 103,36 d.M. Kibikna tjai 1 x 103,36 x 1 d.M³. = 103,36 d.M³

Ari tjai anoe 1 d.M³. beuratna 1 K.G.: djadi di sakoeliah doenja meunang paneueul hawa oenggal 1 d.M². kateueulna koe 103,36 K.G.

Eta paneueul hawa anoe dina 1 d.M². tea, nja eta 103,36 K.G., disěboetna 1 atmosfeer. Koe noe palintěr. atmosfeer, diparake patokan pikeun ngitoeng kakoeatan paneueulna pakakas djeung barang² sedjen; sapěrti: daja paneueulna stoom, kompa djeung sapapadana, kabeh oge diitoengna make patokan atmosfeer bae, nja eta dibanding kana beurat 103,36 K.G. Oepaman daja-paneueulna aja 2 x 103,36 K.G.; 3 x 103,36 K.G.; 4 x 103,36 K.G.; dina oenggal 1 d.M². teh, eta disěboetna 2 atmosfeer, 3 atmosfeer, 4 atmosfeer djeung satěroesna. [ 151 ]

BAKBAROMETER.

Bak teh basa Walanda hartina tĕmpat; djadi bakbarometĕr hartina: oekoeran paneueul hawa make tĕmpat.

Ari boekti barometĕr teh: solobong gĕlas djeung pingganna, kabeh dieusian erperak; dipĕtakeunana tjara gambar No. 1A tea, toeloej ditĕrapkeun kana sasaka (standaard), mambrih nangtoengna anggĕr, di maneuh kana sasaka tea, sapĕrti gambar No. 2.

Gambar No. 2.

[ 152 ]Sasakana eta barometĕr, ti handap ti watĕs beungeut erperak anoe aja dina pinggan tea, dibagi-bagi koe gĕrĕt² didjieun sababaraha c.M., ka loehoerna nĕpi ka pabĕnĕran toengtoeng solobong. Ana diawas-awas kanjahoan jen erperak anoe di djĕro solobong tea sok ka loehoer-ka handap, djadi loehoerna hĕnteu anggĕr bae 76 c.M. tea. Eta netelakan jen: daja paneueulna hawa hĕnteu anggĕr, atawa lamoen noeroetkeun basa dina elmoe alam, disĕboetna: hĕnteu anggĕr loehoerna, tapi masing kitoe oge ari atmosfeerna mah anggĕr bae, 103,86 K.G. dina 1 d.M²., da gitik-ratana mah nja sakitoe.

BERGBAROMETER.

Berg basa Walanda, hartina goenoeng. Djadi bergbarometĕr, Soendana; barometĕr paranti ngoekoer loehoerna goenoeng.

Lantaran geus kanjahoan, jen samangsa beuki loehoer hawana beuki ipis, koe sabab eta tangtoe pisan hawa di tĕmpat anoe laloehoer teh daja paneueulna beuki koerang, hartina beuki


Gambar No. 3.

[ 153 ]hampang. Hal ieu ĕnggeus ditjoba pirang² kali, kalawan titi pisan, boektina kieu:

Samangsa erperak tea toeroen 1 m.M., lamoen oerang harita aja di tĕmpat anoe loehoerna ti laoet:

160 M., noedoehkeun geus nandjak 10,5 M.
±1000 M., noedoehkeun geus nanjak 11,5 M.
2000 nĕpi ka 3000 M., noedoehkeun geus nandjak 13,- M.
3000 nĕpi ka 4000 M. noedoehkeun geus nanjak 13,5 M.
4000 nĕpi ka 5000 M. noedoehkeun geus nanjak 14,- M.

Nilik kana beubeunangan mariksa noe bieu tea, tembong pisan jen: daja paneueul hawa teh beuki loehoer tĕmpatna beuki koerang, tapi ngoeranganana beuki kĕndor.

Koe sabab barometĕr model bakbarometer hese dibawa ka goenoeng, koe hal eta toean BOURDON neangan akal, soepaja bisa njieun barometĕr anoe hĕnteu make erperak. Barometĕr toean BOURDON mah didjieunna koe bangsa logam, bangoenna boendĕr tjara erlodji, make djaroem deuih koemaha erlodji bae; djadi gampang dibabawana.

llikan gambar No. 3.

BAROMETER-BOURDON.

Ari barometĕr model ieu didjieunna make solobong logam leutik sarta toengtoengna doeanana dipongpokan, di djĕrona kosong meh euweuh hawaan saeutik-eutik atjan. Eta solobong dipĕlĕngkoengkeun, toeloej diasoepkeun kana hidji wadah boendĕr tjara erlodji, tĕroes dipageuhan koe beusi gepeng, mambrih oelah lesot (ilikan gambar No. 3). Eta solobong toengtoengna (A djeung C) meh tĕpoeng-gĕlang, disamboengkeun koe poetĕran beusi (spil) E D. Eta solobong lamoen koe oerang diteueulkeun meueusan oge, sok tĕpoeng-gĕlang, tapi dimana dilesotkeun deui balik deui tjara tadina. Dina tĕngah-tĕngahna poetĕran beusi tea make spiraalveer (per-poeril), sarta bagianana di loear maneuh kana wadah anoe tjara erlodji tea. Dĕmi poetĕran (spil) tea njamboeng kana senggotan (zwengel) I K, nja eta anoe ngobahkeun djaroem.

Geus dipariksa kalawan titi pisan, jen di mana peneueul hawa tambah bĕdas, toengtoeng solobong teh beuki padeukeut. Katĕranganana kieu:

Lamoen paneueul hawa oenggal 1 c.M². nambahan 1 gram, lantaran beungeut solobong bagian loear leuwih lĕga batan beungeut anoe ti djĕro, djadi neueulna hawa anoe asoep tangtoe leuwih gĕde batan anoe ka loear. [ 154 ]Soepaja leuwih tetela, solobong-logam leutik anoe ditjaritakeun di loehoer tea, ajeuna oerang gědekan gambarna tjara gambar No .4.


GAMBAR


Gambar No.4 Solobong logam digědekeun.

Goerat A.B.C. noedoehkeun beungeutna (sisina) anoe beulah loear, a' b' c' netelakeun beungeut noe beulah ti djěro. Gambar panah ... noedoehkeun paneueulna hawa noe ti loear ka djero nodjo kana titik poesěr m : ari panah ... noedoehkeun paneueulna hawa anoe ti djěro ka loear, djadi anoe bidjil ti poesěr m.

Nilik kana boekti tetela pisan, djeung geus ditěrangkeun deui di loehoer, jen goerat A.B.C. leuwih pandjang ti batan a' b' c'; koe sabab eta paneueul hawa ti loear ka djěro tangtoe leuwih bědas batan paneueul anoe ti djěro ka loear; djadi paneueulna hawa ti batan paneueul anoe ti djěro ka loear; djadi paneueulna hawa ti loear bisa ngěloekkeun djeung moekakeun solobong logam, datang

- 150 -
[ 155 ]ka poetěran beusi (spil) tea oge miloe goelar-gilir ka katoehoe-l kentja. Lantaran poetěran beusi goelar-gilir, senggotan (2wenge) tea kabawa oegat-oegět, nja djaroem oge kabawa obali deui. A eta djaroem moetěrna dina wadah anoe geus dibagi-bagi mal angka.

Doemeh barometer boeatan toean BOURDON beunang dipesaka djadi sok diseboet oge zakbarometer; nja barometer ieu noe sok dipake parabot keur nganjahokeun loehoerna goenoeng laoet. Koe sabab eta dingaranan bergbarometer.

4. SOEALAN.

Aja opat sadoeloer meunang warisan tanah roepana tjara gamba di handap ieu. Rěmpoegna sarerea eta tanah rek dibagikeu: disaroeakeun bae. Maranehanana teu atjan jahoëun koerah akaina ngabagina, sangkan saroea běněr lěgana.

Tjobi mangga, saha anoe lasa manggihkeun akalna?

[ 156 ]

r. LOHOERNA GOENOENG

[ 157 ]

s. WOELANG OETAMA.

1. Sagala padamělan Maha Soetji, eta kabeh aloes. Oerang 3moal ngarti kana „koemaha-koemahana" djeung kana „koe naon sababna".

2. a. Pidoenja. Lamoen djělěna geus kairoet koe doenja, sok toeloej hatena maděp sárta mantěp kana neangan doenja. Karěp anoe kitoe, eta hidji mamala.

b. Karep kana sawarga. Djělěma anoe boga kahajang kitoe, martabatna leuwih loehoer batan noe tadi, sabab rolina mikahajang sawarga djeung mikahajang kasěnangan anoe langgěng; saoemoerna rěsěp kana tirakat, sabab ngarěp² soepaja kahajangna mangke dikaboel dina poë kiamat. Mikahajang sawarga teh leuwih moelja batan mikarěp pěrkara doenja.

c. Maděp ka Allah. Lamoen djělěma geus asoep kana alam jeu, eta paningalna batin braj boeka, neangan Goestina, ngalesotkeun paningalna tina anoe goemělar, sarta hal mikarep pěrkara doenja teh keur manehna mah laip, noe aja teh tjěngěng kangěn ka Noe Ngadaměl. Djělěma noe kitoe bagdja doenja acherat.

3. Di mana Allah asih ka abdina, eta djělěma sok dipasihan kaprihatinan: ditjandak doenjana, dipoendoet anak bodjona, soepaja teu aja noe djadi kabeurat ka manehna, tinggal maděp mantěp ka Allah.

4. Lamoen eta djělěma njangga kaprihatinanana kalawan sabar, tangtoe meunangna pahla henteu hese. Oepama bisa nangga kaprihatinan kalawan soeka ati, tangtoe bisa běrěsih tina sagala kagorengan.

5. Elmoe moekakeun sagala kahadean, ari kabodoan noengtoen kana sagala kadorakaan.

6. Pangandika Kangdjeng Nabi: „Teangan koe maneh djělěma anoe geus minggat ti maneh: hampoera koe maneh djělěma aroe ngawiwirang ka maneh; pihade koe maneh. djělěma noe teu diek pisan barangbere ka maneh.

Tjek papagon adat, ka djělěma anoe saloehoereun oemoerna koedoe daek ngalalajanan, dina keur ngarioeng djeung andjeunna oelah wani miheulaan tjarita, iwal lamoen aja pěrloe, kitoe oge nepama geus diwidian; djeung oepama andjeunna keur sasaoeran, [ 158 ]oerang nja ngomong koedoe sanggeusna beak sasaoeranana, nja dioek oelah rek di saloehoereunana atawa sagirangeunana.

Ari djeung sasam a koedoe lajeut, djeung koedoe siliberean rědjěki, oelah djiga noe ngahoetangkeun, tapi koedoe kalawan iklas.

Ari ka noe oemoerna sahandapeun oerang, koedoe njaah sarta deudeuh.

Pendekna oerang teh koedoe ngadjian djělěma noe geus kolot sing tjara ngadjian kolot sorangan , ka sasama koedoe tjara ka doeloer, ka baroedak sing tjara ka anak oerang pribadi.

7. Koemawoela, eta kawadjiban anoe teu beunang pisah ditinggal koe moerid, mangpaatna leuwih ti soehoed-soemoedjoed. Watěkna koemawoela bisa měpěs karěpna hawa-napsoe; koemawoela noewoehkeun watěk handap-asor djeung tindak-tandoek noe hade; bisa ngaleungitkeun adigoeng, kaorowodolan djeung kangědoelan; ngagantjangkeun boekana hate djeung njaangan djělěma nja batinna nja loearna.

8. ...... Lamoen pangna andjeun salat teh ngarah asoep ka sawarga, ěmboeng asoep ka naraka, eta andjeun teh koemawoela ka hawa napsoe keneh. Lamoen andjeun neangan keneh kahajang atawa sieun koe kasieun, eta hartina andjeun teh koemawoela ka dinja.

9. Taja deui ngan gagabah, noe sok djadi lantaran pangna maksoed oerang teu djadi teh.

10. „Elmoe ”, djalan noe pangdeukeutna ka Goesti; „teu njaho”, aling² noe pangboenina noe ngahalangan andjeun ka Goesti.


i. NJAROEAKEUN WAKTOE.

Lamoen di BATAWI poekoel 12 beurang, di:
AMSTERDAM ………… poekoel 5 isoek leuwih 10
CALCUTTA (Hindoe)………… " 10 " " 45
ISTAMBOEL(Toerki)………… " 6 " " 45
PEKING (Nagara Tjina) " 12 beurang " 40
PARIS (Parasman)…………… " 5 isoek


j. NGANJAHOKEUN MADHAB.

Pikeun nganjahokeun madhab, salianna koe padoman, pikeun di dieu mah, di Hindia Nederland sok marake oge palintangan, nja eta make patokan Bentang Tjakra, anoe koe oerang Djawa [ 159 ]
sok diseboět ,,lintang goeboeg pentjeng", atawa koe basa Walandi dingaranan ,,Zuiderkruis".

Lamoen goerat anoe něpoengkeun bentang anoe loehoer djeung noe handap dipandjangan kira² opat kalieunano, nja něpi ka koetoeb-kidoel (Zuidpool), djadi perang njaho kidoel. Ari geus njaho kidoel mah, madhab noe sedjen oge njaho. [ 160 ]

v. GANTJANGNA BOEMI DJ.S.T.

Boemi (ngoerilinganana panonpoë)…… 30,800,— M dina 1 sékon.
Adelaar (manoek) …… 31,— " " 1 "
Koeda- toenggang, derap…… 2,1 " " 1 "
" " tjongklang… 4,5 " " 1 "
Koeda- adoe, derap…… 10-12,— " " 1 "
" ", tjongklang… 25,— " " 1 "
Djapati- soerat (postduif) 20,— " " 1 "
Kareta-doer dina gagantjangna 125,— K.M. " 1 "
Topedojager ..... 37 miji = 68,5 " " 1 "
Automobiel poekoel-rata 38, pangan —
tjangna ..... ..... 90 — " " 1 "
Koeda- toenggang, derap…… 60-150,— " " 1 "


w. DJERONA LAOETAN.

Laoet Gěde atawa Samoedra Laja pangdjěro- djěrona .... 9636 M.
" Hindia " " .... 6205 "
" Djěpang " " .... 3000 "
" Tjina " " .... 5250 "
" Banda " " .... 6505 "
" Beureum " " .... 2271 "
Těloek Perzie " " .... 104 "
Noordzee " " .... 808 "
Laoet Wetan (Oostzee) " " .... 427 "
" Tengah (Middlelandsche Zee) " " .... 4400 "


x. GOGODONG KERIS.

Anoe disěboet gogodong teh, nja eta bagian sarangka kěris anoe pangloehoerna sarta pangroebakna. Kalobaanana anoe didjieun gogodong teh kai, tapi aja oge anoe koe gading djeung koe barang-tambang. Di poelo Djawa kai anoe sok didjarieun gogodong, babakoena: trěmbalo, tangkolo djeung kajoe tjandana. Aja noe gogodong koe aděmati, boengkoel djati djeung koe mantaos, Ari mantaos biasana ngan keur gogodong anoe baris disoengging bae.

Di poela Djawa potongan gogodong teh dibagi doea bagian, nja eta: tjara Solo djeung tjara Djogja. Hidji-hidjina aja doea roepa: 1. gajaman, nja eta potongan gogodong anoe bangoenna tjara boeah gajam. 2. ladrang, nja eta potongan gogodong anoe bangoenna tjara parahoe boehoen. Lian ti eta doea roepa, di Djogja aja deui potongan sedjen, anoe

-156-
[ 161 ]diseboet tanggalan, doemeh bangoenna tjara buelan toemanggal[7].

Di loear poelo Djawa aja deui potongan gogodong anoe make djoeroe, nja eta di Seleběs-Kidoel.

[ 162 ]

Njieunna sarangka.

Di loehoer geus ditjaritakeun, jen anoe sok didjarieun gogodong teh babakoena: trěmbalo, tangkolo djeung kajoe tjandana.

a. koe trěmbalo.


Mimitina ngaragadji heula trěmbalo tea, kandělna tiloe dim, roebakna 2 à 3 kaki djeung pandjangna 6 něpi ka 8 kaki. Geus kitoe pek dina eta papan tea njieun tjiri² pibangoeneunana [ 163 ]ka anoe dipikahajang, boh ladrang, gajaman atawa tanggalan tea; nja kitoe deui naha baris njieun noe ngahidji atawa disamboeng.

Ngaragadjina diatoer pisan noeroetkeun koemaha galerna djeung rorengna, sarta diakal-akal sangkan aloes djeung dina lebahna pisan

tembongna. Lamoen bakalna aja boengkoelna, koedoe diakal-akal soepaja galer boengkoel tea tetela tembong sarta sabeunang-beunang koedoe tjitjing beulah loear. Eta papan disělapkeun dina antara [ 164 ]doea iteuk anoe ditantjebkeun kana taneuh, toeloej diragadji noeroetkeun goerat tea, něpi ka djaradi sarangka djeung gogodong anoe dipikahajang tea, tapi kakara boga bangoen bae.

b. koe tangkolo atawa tjandana.

Lamoen tangkolo atawa tjandana anoe rek didjieun sarangka keris teh, eta rada sedjen ngagarapna, lantaran kai kitoe di poelo Djawa henteu pati loba. Poeloekanana kal bangsa eta, toeloej dirimbas bae didjieun hangoen sarangka atawa gogodong anoe [ 165 ]dipikahajang tea, sarta diakal-akal sangkan anoe pangaloesna tjitjing ti loehoer atawa ti gigir.

Tadi geus disěboetkeun hal sarangka anoe gogodongna ngahidji djeung gandar djeung anoe disamboeng. Anoe kahidji disěboetna sarangka-irasan atawa sarangka-gandar-iras, ari anoe kadoea su rangka potokan.

Ari anoe diseboet gandar, nja eta bagian sarangka noe pandjang noe ti handap těmpat seuseukeut kěris tea.

Oepama oerang rek njieun sarangka potokan ladrang, anoe Lorene dipigawe mimitina, njieun daoenna heula, nja eta hagiar gogodong anoe ti toekang. Lamoen rek njieun tjara Djogja bagonna droën gogodong koedoe tjara daoen-nangka, atawa daoen-sawo. Ari tjara Solo mah hěnteu těrang, koedoe tjara daoen naon, ngan kawasna bae tjara daoen ěndong. [ 166 ]Sanggeus kitoe toeloej njleun angkoepna, nja eta bagian gogodong ti hareup, anoe njěngkilk ka djěro; lamoen tjara Djogja. hangoenna koedoe tjara kěmbang nangka. Ti dinja toeloej njieun djanggotna, nja eta bagian gogodong ti hareup beulah handap, djadi handapeun angkoep tea. Sanggeus kitoe, njieun tjangkringna, nja eta anoe sareukeut di kentja-katoehoe gogodong antara daoen djeung angkoep tea, roepana meh siga tjoetjoek dadap

tjangkring. Ela sababna noe matak dingaranan tjangkring. Di mana eta geus anggeus kabeh, toeloej diome deui make walltjantoek, nja eta peso anoe měléngkoeng toengtoengna: njieun gegehet samboengan gogodong djeung gandar, njieun keur něrapkeun pěndok dj. s. t.

Lamoen rek njieun gajaman (potokan); mimitin, koedoe [ 167 ]njleun oekěl, nja eta anoe minangka daoen gogodong dina ajdrang, toeloej njieun gegehet keur njamboengkeunana.

Děmi pětana njieun sarangka {[sp|gandar-iras}} ten, hente sabaraha bedana djeung njieun sarangka potokan bae, ngan tangtoe henteu koedoe njieun gegehet keur njamboengkeun. da geus ngahidji ten.

Lamoen noe didjieunna. sarangka gandar-irus teh, lan kai anoe aja hoongkoelan, tapi kajoe-loeroes, koedoe diatoer koe nerang galerna ti toengtoeng danen gogodong něpi kana angkrep koedoe beres.

Dina gajaman eta galer koedou beres ti toengtoeng oekėl nupi kana djanggot. Lamoen bakalna trěmbalo anoe aja boengkoelan, galer djeung rorengna koedoe njěbar saloearna.

Sanggeus kitoe, kakara eta sarangka ditjokrah keur tempat keur tea. Njieunna dibor koe djara dina gogodong beulah ti loehoer, antara tjangkring tea, gědena koedoe saroea djeung kanděla gandja eta kěris. Toeloej eta lang digedenn ka toekang jeung ka hareup, nja kitoe deui gigirna, koe dedet (parabot paranti ngageědean liang), bangounna eta liang koedoe tjara gandja keris. Kerisna koedoe mindeng ditjoha diasoepkeun; lěbah ande sereg keneh, dina gogodongna koedoe ditjirian koe patlot, toeloej digědean deui koe peso (wali) len. Kěrisna dioelasan minjak make langěs, toeloej dipas deui kana gogodong tea. Lěbah noe rada sereg, tangtoe gogodong antěl kana kèris tea, djadi lëbah dinja kaminjakan. Toeloej dikeureut koe peso wali tea. Kitoe bae, nëpi ka asoep sasrekna. Lamoen eta geus anggeus. toeloej migawe gandarna. Anoe panghadena didjieun gandar, kajoe-tjandana, pambrihna ngarah lamoen kèrisna ditjaboet tina sarangkana, seungit. Lamoen euweuh kajoe-tjandana, sok iqba oge anoe njarieun koe mindi. Gandar koedoe leuwih pandjang manan kěrisna; ari didjieunna make rimbas bae dibangoen pěndok anoe rek Ditěrapkeun. Pěndokna, ti djèrona, diminjakan make langes tea, toeloej gandarna diasoepkeun kana pěndok. Lamoen katembong gěde teuing atawa masih keneh karadak, dikikir dlleutikan atawa dirarata. Oepama eta ganda: geur sasrekna pisan kana pendok, henteu těroes diterapkeun deui, tapi didjaboet deui. Sabab lang gandar anoe sapandjangna pisan keris tea, eta koedoe didjeroan deui, koedoe leuwih djero manan pandjangna kèris. Kadjaba di djeroan, koedoe rada digèdean deui, parabotna ngarann segrek (sabangsa kikir), datang ka, kèrisna rada logor, henteu sasrěkna pisan. Ari noe dipambrih. ngarah babari ditarikna, djeung soepaja oelah babari taihiangan. Ti dinja teoloej gogodong djeung gandar disamboengkeun, sarta kodoe rangrapět kai biasa disebut antjoer-lempeng. [ 168 ]Njieunna pangrapět, eta antjoer dikeueuni, di mana geus oedoeh toeloej dirieus djeung apoe.

Aja oge anoe ngarapětna koe geutah trěmbalo, dideangkeun heula; di mana geus leeh kakara dipake tjara noe tadi tea.

Ari pětana njieun liang (ngarorak) gandar-iras, kieu:

Antara tjangkringan tea dibor něpi ka leuwih djěro batan pandjangna kěris. Ti dinja toeloej diome, tjara ngaliangan sarangka potokan bae. [ 169 ]



MANGLE

[ 170 ]

29. BABAD TJIREBON

DANGDANGGOELA

Bismi'llahi alrahmani’lrahim,
Koela njĕboet asmaning Pangeran,
Noe moerah di alam kabeh,
Majoengan kabeh mahloek,
Ngraboedjanan rahmat djeung ridjki,
Teu aja kakoerangan,
Moenggoeh Maha Agoeng,
Anoe asih di aherat,
Noe ngagandjar kabeh djalma noe ngabakti,
Njiksa djalma doraka.

Sanggeus moĕdji Goèsti anoe asih,
Djeung Rasoelna Nabi noe poengkasan.
Rek njaritakeun lalakon,
Iboe kangdjĕng Sinoehoen,
Troesing madoe andanawari,
Toeroenan Padjadjaran,
Poetrana Sang Ratoe,
Ti garwa ti Singapoera,
Noe poepoetra tiloe maroeloes raspati,
Moelja taja koetjiwa.

Anoe tjikal pamĕget kakasih,
RADJA TJAKRA ROEANA katĕlah,
Punĕngah pumĕgrt keneh,
RADJA SENGARA TINOET,
Anoe boenso Sang Radja Poetri,
Nĕlah NJI DALEM SATANG,
Iboena Sinoehoen,
Soenan GOENOENG DJATI poerba,
DALEM SATANG noe ditjandak moenggah hadji,
Ngiring TJAKRA BOEANA.

Ti Arabna lĕroes angkat deui,
Djarah nadran ka Bet'almoekadah,
Astanana Nabi kabeh.
Doemadak eta waktoe,
Kangdjĕng Radja di Banisrail,
"Tas kapoepoeson garwa,
Manah mangkoerawoet,
Hemĕng limĕng kulĕnglĕngan,
Manjiĕng ka garwa anu lestari,
Emoet tata kĕantara

[ 171 ]

Toeloej njaoer Kadi Djamal'oeddin,
Anoe djadi Panghoeloe di dinja,
Djeung ka koelawarga kabeh,
Dawoehna Kangdjĕng Ratoe,
„Soegan aja anoe geus manggih,
„Istri noe meh saroepa,
„Djeung anoe geus poepoes,
„Nadjan teu saroepa pisan,
„Asal aja pasĕmon polah paniti,
„Keur ganti anoe djĕnat".

Pioendjoekna Kadi Djamal'oeddin:
„Noen soemoehoen dawoeh Maulana,
„Tjarek oengĕling tjarios,
„Aja noe geulis poenjoel,
„Dajeuh maneuh nja lĕmah tjai,
„Asal ti Padjadjaran,
„Ngan kadoea doeloer,
„Saĕntas hadji ti Mĕkah,
„Toeloej djarah ka koeboeran para Nabi,
„Nadran ka Bet'almoekdas”.

Soemeredet Soeltan BanI’sratl,
Pok ngandika: ,,Soeganna djeung soegan,
„Teang doeanana bae,
„Tjaloekan ka kadatoen,
„Niat kami arek maparin,
„Sidĕkah dana-dina,
„Oelah pmer lakoe,
„Tah sakitoe pamaksoedana,
„Malak mandar djadi djalan milik dlri,
„Paparin noe kawasa".

Kinanti.
Njai DALEM SATANG matoer:
„Sĕmbah noehoen awotsari,
„Kapoendi bĕrkah Molana,
„Piwoelang nja kitoe deui,
„Moeng abdi gadoeh panĕda,
„Moegi dikaboel koe Goesti”.

„Sim abdi soemĕdja toemoet,
„Sakĕrsa Molana Amir”.
Sang Maharadja ngandika:
„Naon anoe dipĕrĕdih?
„Sagala pamenta awak,
„Arek ditoeroet dipoendi".

[ 172 ]DALEM SATANG tadim matoer:

..Njoehoenkeun anak lalaki,

...Lanang něnggang ti sasama,

Noe djadi wail sadjati,

..Djadi ratie Noesa Djawa,

..Njěbarkeun Agama Nabi.


30. SAKOLA INSINJOER DI BANDOENG

Ana geus něpi kana mangsana, katjida kamadjoean teh gantjangna, mani nerelek.

Geura mangga maranahan kaajaaan di oerang!

Poeloeh-poeloeh teh Hoogere Burgerschool, anoe sok dipondokkeun H. B. S. tea. Martabat kaloehoeran eta sakola, beunang disěboet meh ngarendeng djeung sakola loehoer; diaranggapna koe djělěma leuwih loehoer ti Stovia.

Pirang² toean-toean anoe palintěr njaoerkeun, jen martabat kaloehoeran H. B. S. anoe di Nagara Walanda. Toeroeg² deuih mangpoeloeh-poeloeh tahoen teu tambah² reana, ngan tiloe bae.

Koering ingět keneh, sabaraha hesena toean² anoe palintěr djeung anoe baleunghar di Bandoeng, waktoe njoehoenkeun diajaan H. B. S. noměr 4.

Na ari geus datang mangsa tjoendoek waktoe mah, mani djoeldjol sigana teh! Tanggal 5 Juli tahoen 1919 mimiti moeka sakola A. M. S. anoe kahidji di Djogjakarta. Dina boelan Juli deui tahoen 1920 moeka A. M. S. anoe kadoea di Bandoeng. Kadjaba ti eta dina boela Juli tanggal 3 ngaděgkeun Sakola Loehoer deuih, nja eta Sakola Insinjoer, anoe djadi pěpěntolna sakola-sakola di ea-Hindia.

Djadi tanggal 3 Juli 1920 teh, hidji poē gěde kabina-bina keur oerang mah, oerang Hindia, nja eta poē anoe moal kapopohokeun djeung teu beunang dipopohokeun deuih. Sabab nja dina poē eta ngaděgna Sakola Loehoer noe kahidji, anoe baris djadi sagara elmoe di nagara oerang, djadi damar anoe njaangan sa-Hindia.

Ari diaděgkeunana eta sakola teh di Bandoeng, di sisi djalan ka Dago.

Děmi bangoenna estoening aneh. Beda ti sakola noe loembrah. Ieu mah bangoenna teh bangoen wawangoenan Asia toelen, tapi di djěrona tjara Koelon; kawasna didjieun pěrlambang ngahidjikeun Koelon djeung Wetan. Basa eta Sakola Loehoer tea diboeka, diloeoehan koe sakaberh pangagoeng: harita aja .... .... .... [ 173 ]biantara piligenti, nja eta: Tocan VAN SANDICK anoe ngěmban saoer pakoempoelan noe ngadegkeun eta Sakola tea, njaeta pakoempoelan: Koninklijk Instituut voor Hooger Technisch Onderwijs in Nederlandsch-Indië; Professor KLOPPER, noe djadi rector magnificus eta Sakola Insinjoer, hartina Professor kahidjina. noe ngapalaan eta Sakola; Kangdjeng Toean Directeur Onderwijs djeung Eeredienst Kangdjeng Dalem Serang ngemban saoer oerang Priboemi djeung salian ti eta.

Sanggeus kabeh salasaoeran, toeloej eta Sakoela Loehoer diboeka koe Kangdjeng Toean Běsar Goepěrnoer-Djendral, GRAAF VAN LIMBURG STIRUM, bari ngalahir kieu:

„Ieu Sakola Loehoer jasana oerang Walanda anoe moelja kabina- bina; sarta woewoeh deui kamoeljaanana, sabab djadi tjonto koe oerang sarerea, koedoe daek noeroetan lakoe-lampah anoe sakitoe hadena.

„Ari kawadjiban anoe ajeuna disalanghareupan koe baroedak ngora Hindia, nja eta koedoe ngaramekeun ieu sakola jeung koedoe narembongkeun ka alam doenja, jen baroga kakoeatan djrang karěp pikeun noetoerkeun djalaning hiroep anoe ajeuna kakara měnga. Kalawan piwoeroek anoe djaradi Professor, maranehanana koedoe ngalampahkeun eta kawadjiban kalawan enja', sangkan di ahir bisa djadi Insinjoer anoe seungitna henteu eleh koe Insinjoer² Nagara Walanda djeung nagara lian.

„Paněda kami, moega sakabeh moerid² anoe kaloear ti ieu: Sakola Loehoer, tětěp mantěp resep kana saniskara elmoe anoe geus katampa ti dieu, sarta moega² woewoeh toewoeh kabeuratna ka Tanah Hindia, nja eta hidji tanah tempat pagawean anoe tanpa wangenin.

„Sakalian bari ngahatoerkeun salamna Kangdjeng Toean Besar Minister van Koloniën ka Toean Directeur, ka Curator djeung ka Professor², koe kami ieu Sakola loehoer ajeuna diboeka!"

Sakitoe dawoehanana Kangdjeng Toean Besar!

Rasa koering moal moebadir, di dieu ditjaritakeun, jen pangadjaran anoe ajeuna diadjarkeun ti eta Sakola Loehoer, kakara pangadjaran baris Sipil-Insinjoer bae. Ka hareup baris diwoewnehan deui koe pangadjaran² pikeun mijnbouw. irrigatie djeung sapapadana, nja eta pangadjaran anoe ngawoengkoel kana hidji roepa elmoe bae. [ 174 ]

31. NYAI DEWI LARA KIDOEL

(VOLKSLECTUUR No. 1540).

Katjarioskeun, baheula pisan. aja hidji istri gagah sarta sakti tjaitknn di dasar sakara kidoel, djěněnganana NJAI DEWI LARA KIDOEL, nja eta poetra ratoe silëman, noe linggih di dunar sagara.

Kawěntarkeun eta NJAI DEW LARA KIDOEL awas tingali batan katja, binatara sarta sakti, wëroeh sadoeroenging winarah, tegěsna oeninga ka noe tatjan djadi.

Ari dina mangsa harita, katjarioskeun. radjau Madjapait keur saembara, rehna andjeunna kagoèngan doen poetra iatri geulis sukěmbaran. Geus kasohor eta poetri kageulitsanana; di antara para poetri, poetra radja di tanah Djawa, teu nju noe ngabandingan ka eta doea poetri.

Matah para radja di satanah Djawa, satanah Soenda, kitoe, deui ti loear Noesa Djawa. geus loba pisan noe naranjaan, tapi teu atjan aja hidji radja noe ditampi, margi radja Madjapait sěsaheun tina rea teuing noe nanjaan, sieun djadi karoesoehan di achirna.

Dëmi djěněnganana njai poetri, noe hidji enden poetri SEKAR SARI, anoe hidji deui énden poetri SEKARWANGI.

Ari manahna radja: ,,Koemaha, boga anak awewe ngan doea ari noe nanjdan sakitoe lobana, mulah aja noe ti nagara pasabrangan".

Ti dinja kěrsana radja tina sakulangkoeng bingoengna. dasar sakti, mandragoena. ladjěng bae njipta doea koeda hedjo sambarani ajana di awang-awang.

Tëroes koe radja diraembarakeun ka sadaja para radja sarawoeh para ponggawa, lahirna: ,,Ajeuna kieu bae: saha-saha noe bisa njěboetkeun itoe noe roepa koeda di awang-awang masing sidik. moen katoedjoen eta, tangtoe kue koela dipoeloeng mantoe sarta dipasihan nagara sabeulah, didjěněngkeun ratoe anom di nagara Madjapait".

Gantjanging tjarita, eta kabeh para radja sarawoeh para bopati, pada njararěboer koeda bae. soemawonna para ponggawa djeung para mantri mah. sadajana pada norah, jen eta, koeda hedjo sanbarani. noe aja di awang-awang.

Koe kërsana Radja, taja hidji noe kamanah atawa anoe ditampi karena sabënërna lain koeda, nja eta koeda tjitjienan.

Toenda noe keur rame saembara: katjarios NJAI DEWI LARA KIDOEL, anoe awas tingalina, geus njongongan kalingali koe andjeunna, jen radja di nagara Madjapait. keur saembara. [ 175 ]NJAI DEWI LARA KIDOEL imoet dina djěro manahna djeung ngalahir: eta kana saembarana radja, hamo aja noe bisa něgoeh, lamoen hěnteu koe aing.

Ti dinja ladjěng bae andjeunna njipta doea moerangkalih paměgět sakěmbaran sarta karasep, kira-kira oemoer limawělas tahoen.

Sanggeus kitoe, eta doea poetra ladjěng koe andjeunna ditjandak ngadeuheus ka Radja, bade ngiring saembara.

Sadongkapna ka nagara, koe radja dipariksa, lahirna: „Aeh, NJAI DEWI LARA KIDOEL ngěrsakeun naon noe mawi soemping ka dieu?”

Djawabna: „Anoe mawi koering dongkap ka dieu, reh ieu gadoeh doea anak, manawi aja idin radja, koering sědja ngiring saembara: sarěng koering sědja naros, naon anoe baris dianggo toempang ti Radja oepama eta saembara kadjadian, katoedjoem”.

Walon Radja kieu: „Saha-saha anoe bisa njěboetkeun sarta katěgoeh eta noe roepa koeda sakěmbaran di awang-awang, tarohna nagara sabeulah rawoeh eusina djeung dipasrahan doea poetri pigarwaeunana sarta didjěněngkeun radja di dieu”.

Djawab NJAI DEWI LARA KIDOEL: „Lamoen kitoe mah, noehoen, ari ti koering ieu, doea anak lalaki sakěmbaran tarohna”.

Walon Radja kieu: „Sae, teu aja pamběngan”

Barang geus isoekna, di poë Djoemaah, kira-kira těngah poë geus sajagi di papanggoengan, bade saembara.

Radja-radja sarawoeh para bopati geus pada koempoel sadaja, soemawonna NJAI DEWI LARA KIDOEL, sarěng doea poetra geus djagrag di papanggoengan.

Lahir Radja: „Mangga, ajeuna geura taroedjoem, naon itoe noe saroepa koeda sakěmbaran di awang-awang teh?”.

Para radja sadajana tětěp njarěboetkeun koeda bae noe aja di awang-awang teh, pedah roepana djeg koeda.

Lahir NJAI DEWI LARA KIDOEL: „Eta sadajana salah, lamoen njarěboetkeun koeda, karana bisi teu aroeninga, eta noe disaembarakeun koe Radja, ieu kabeh bopati hamo aja noe bisa měněran naroedjoemna, ngan koering anoe pibisaeun. Ajeuna koering něda disaraksian koe sadajana arek norah noe siga koeda di awang-awang, tapi panoehoen koering, Radja poma oelah tjidra tina djangdji; ajeuna koe koering rek disěboet”.

Sadajana para radja oendjoek soemangga, sědja njaksian.

Lahir NJAI DEWI LARA KIDOEL: „Bisi teu aroeninga, itoe koeda sakěmbaran di awang-awang sateměnna lain koeda hedjo sambarani, tapi tina kapintěranana Radja Madjapait, ari saěnjana mah, eta teh mega bodas, ditjipta koe Radja, diroepakeun koeda hedjo sambarani, asal tina mega poetih ”.

Sanggeus ditoedjoem, lěs bae leungit noe roepa koeda teh, teu aja, ilang tanpa karana, [ 176 ]Gĕr bae saroerak para bopati, jen geus beunang saembara koe NJAI DEWI LARA KIDOEL.

Harita keneh NJAI DEWI LARA KIDOEL nagih pĕrdjangdjian ka Radja.

Raja mindĕl manahna hĕnteu doe'a boga mantoe bangsa silĕman: pendekna tjidra tina pĕrdjangdjianana, malah Radja njieun akal sangkanna oelah djadi.

Toeloej bae njieun deui saembara, tatapi geus kamanah koe NJAI DEWI LARA KIDOEL.

Saoerna: „Eh naha bĕt Radja tjidra, hĕnteu make hoekoem adil, tapi keun, koemaha ĕngke bae lamoen radja tjidra deui”.

Ti dinja Radja ngadawoeh deui saoerna: „Ajeuna, saha-saha noe bisa njieun parahoe pinggir ĕmas ditarapang koe intĕn, baris lalajaran, eta doea poetri djeung nagara sabeulah bakal dimilikkeun, karana goenana nja eta pikeun lalajaran panganten di sagara”.

Para radja taja hidji-hidji atjan anoe sanggoep, anging NJAI DEWI LARA KIDOEL noe sanggoepeun.

Ari saoerna: „Oepama Radja hamo tjidra deui mah, mangga, ieu anak koering sanggoepeun njieun parahoe”.

Saoer Radja: „Sae, koela hamo tjidra deui kana eta pěrdjangdjian”.

Ti dinja ladjěng NJAI DEWI LARA KIDOEL miwarang ka doea poetra ngadaměl eta parahoe, sarta koedoe tjotjog sakoemaha pamoendoetna Radja tea.

Katjarios eta doea poetra geus pada mios ka leuweung, malah geus prak njieun parahoe.

Katjatoerkeun para ponggawana poetra tea, wantoening bangsa silěman, ana barang těda, sok sagala sasatoan djeung sagala oraj ditarěda mani geus balatak toelang-toelang, bangke-bangke ngaboegbroeg.

Gantjangna tjarios, eta parahoe geus anggeus, djadi sapamentana Radja mantoe, didjaring koe iboe.

Sanggeusna ngangge eta parahoe, koe doea poetra těroes ditangkoebkeun, děmi maranehanana toeloej lapor ka iboena.

Koe NJAI DEWI LARA KIDOEL těroes dilajad eta parahoe, tetela geus anggeus sarta aloes; taja kakoerangannana.

Ti dinja NJAI DEWI LARA KIDOEL toeloej angkat ka nagara ngalaporkeun jen parahoe geus anggeus sakoemaha pamoendoet Radja.

Ari lahir Radja „Naha mana ajeuna parahoena djeung naha hěnteu diboektikeun ka hareupeun koela?”

Djawab NJAI DEWI LARA KIDOEL: „Hěnteu aja pěrdjandjian parahoe koedoe dibawa ka pajoeneun Radja, ngan koedoe njieun parahoe bae saoer andjeun”.

Radja teh kalah atoeran. [ 177 ]Ti dinja lodjĕng bae miwarang-baladna soepaja parahoe diangrkat ti leuweung ka nagara. diboektikeun ka pajoeneun Radja. Toenda heula tja rita noe rek ngfingkat parahoe. TCatjarios dina hidji wÇngi, mnlĕm D joem aah. kirn, w an iji tĕngnh peutlng, eukeur noedjoe tjaang- boelnn, daiantr hidji oral knna tfm p a t parnhoe tea. panonna hibar, hoproenjî kawns scmjucmi bae, lmngoesna kaw as bangbarong-m. gëdena aagëcie f ja t n ji j kala.pi, rriatak g lia m atak pieun. E ta o raj, saostoena nitm> ornj. ngarorls knna tofla riiï-lo^iang tea b arlna dikoempoelkeun. Art e ta doea poetra., geuw at njoempoet kan a djĕro parahoe noe nungkoeb tea. sarieuneun, barina Jigintip kana e la lampah nraj. Dĕmi tingkah e ta ratne oraj, sanggeusna ngoeinpoelkeun toelangtalengna, toeloej koe rnanehna di*agogan njanghareup ngoelon. s a rta e ta toelang-taleng didjam pean djeung diboeraan. K oe doea poetra didarengekeun djam pena kieu: ,,B is hoerip, d al sampoerna, W alo eja d jati, d jati w aloeja, T ëka w aras, tëk a hoerip, Hoerip sakôrsuning Goesti, Hoerip, hoerip, hoerip". Sanggeunna kftoe, e ta loelang-talengna tingkarored jat hariroep d«ul s a rta tinglalogodor tinglaleor k a leuweung. D oea poetra kageleun k a tjid n .m a la h e ta djam pe o ra j arandjeunna nSpi ka apal. Toenda tja r it a doea poetra. A jeuna katjarioskeu n deui R adjn M adjapait geua n jan d ak b alalantara. k a leuweung. m ariksa parnhoe te a baris dibaw a k a nagara. B aran g soemping k a leuweung. ditlngati te te la parahoe teh geua anggeus sa rta aloes k a tjid a ; teu a ja papadana. TI d in ja lad jëng bae diplwarung diangkat koe djëlëm a saratoes, teu k aangkat. hënteu g&dag-gĕdag a tja n . D ltam bah deui koe doea rato es dj&lĕma, loepoet, teu k aan g k at. T>itam bah deui, tam bah deui, doemoegi k a koe sarewoe, wëleh bae, parahoe teh teu b isa kaang k at, hënteu gëdag-gëdag a tja n . L ah ir R a d ja : ,,Tjlng, koem aha. ajeu n a ieu ?" „Saha-aaha noe bisa ngangkat parahoe sin g k ab aw a k a nagara, tangtoe toftloes dikawinkeun k a N jl P oetri. djeuntc sakoem aha, përdjangd.11an koela hnmo tjid ra ”. P a ra rad ja ta ja pisan noe sanggoepeun, ngan e ta rtoea poetra anoe wunggoep, H arita Urnf-l- t-r;t parnhoe rmih diangknt koo ■*»'>. n n ln h geus ■I n n g k f t P

kit

tutciir».

T I d in jn 11 n -b 1 r i n g o e n « l i a t j i d n t i n a ' ! ' I > k:i.fr«».r(is-'i h n i i i n i n e s l l P i n a n . T a p i T .a/îji

n '- u s

h ĕrtteu p isan [ 178 ]kana kasaktianana NJAI DEWI LARA KIDOEL, wantoening pada gagahna.

Enggalna, eta doea poetra, ladjĕng bae koe Radja dikěboet koe djimat poesaka, ditjipta; geus djadi doea sato sakěmbaran, tapi tatjan aja ngaranna.

Tĕroes bae eta doea sato djaloe laloempatan ka leuweung, moeroe ka iboena, barina njoeoeh děpa nararangis di pajoeneun iboena.

NJAI DEWI LARA KIDOEL, barang ningali ka doea poetra, kageteun pisan, reh geus djadi doea sato djaloe sakěmbaran, lahirna: „Beu, tjilaka anak aing ajeuna katěnoeng koe Ratoe Madjapait, hianat kabina-bina. Tapi keun bae, ĕngke aing rek males”.

Sanggeus sasaoeran kitoe, ladjeng bae NJAI DEWI LARA KIDOEL njandak djimat saroepa tjaoe lampeneng sapasang, diteunggeulkeun koe andjeunna ka doea poetra; geus djadi tarandoekan sarta tjarakĕp pisan.

Lahir Iboena: „Ajeuna maraneh oelah njarĕri hate djeung montong harajang djadi djělěma deui, koedoe tětěp djaradi moending pikeun goemělar ka anak poetoe, di ahir mangke djadi ingon-ingon di boeana kabeh; děmi ngaran maneh nja eta „moending”, tětěp, sampalanana di leuweung atawa di těgal”.

Sanggeus kitoe, NJAI DEWI LARA KIDOEL bidjil napsoe; tĕroes bae asoep ka nagara sarta njliěman, teu kaoeninga koe Radja atawa koe anoe lian.

Barang soemping ka padalĕman, para poetri kasondong keur tjaralik.

Doemadakan eta doea paetri laloengsoer ka latar djeung ĕmban.

Geus kitoe, dihin pinasti anjar pinanggih, geus nĕpi kana takdirna poetri, jen koedoe djodo ka eta doea moending tea.

Enggalna, dikĕboet koe djimatna NJAI DEWI LARA KIDOEL eta doea poetri geus djadi moending bikang sakěmbaran. Těroes laloempatan ka leuweung sarta di leuweung geus tĕpoeng djeung moending djaloe sakembaran.

Gantjangna, ĕnggeus ngadjodo.

Djadi tětěp toeroen-toemoeroen něpi ka djaman ajeuna.

Děmi Radja Madjapait, barang geus oeninga, jen poetrana geus djadi sato, kantoen ngangloeh, ngan emoet kana takdirna.

Ari ngalawan pĕrang, teu wani, wantoening ratoe siloeman, lain lawaneun manuesa, tĕpi ka djaman ahir tan keuna paeh. [ 179 ]

32. BABAD WAJANG-POERWA.

Noeroetkeun tjarita dina boekoe Djawa, wajang-poerwa teh ngagambarkeun djeung ngalalakonkeun: Batara Goeroe djeung dewa² anoe sedjen, nja kitoe deui para widadari, para ratoe, para satria, para pandita, boeta², monjet² djeung para ponggawa nĕpi ka djaman PREBOE DJAJABAJA, Radja Mamĕnang, katoet para poetra, djeung santana saponggawana noe ngadjamanan PREBOE DJAJABAJA tea.

Ari awitna aja wajang-poerwa, tjek boekoe Djawa mah kieu: waktoe PREBOE DJAJABAJA djoemĕnĕng radja di Mamĕnang, nja eta dina tahoen soerja 861, andjeunna hojong ngadamĕl gambarna sadaja para loeloehoerna; barang djadi nja dingaranan wajang-poerwa. Ari pĕtana ngagambarna ngan rarantjangna bae dina daoen lontar nekin tina artja, digambar njanghareup.

Waktoe RADEN PANDJI KASATRIAN djadi Radja Djĕnggala, djoedjoeloek PREBOE SOERJA MISENA, andjeunna hojong ngawangoen deui wajang-poerwa anoe leuwih djangkoeng soeroep kana dĕdĕg-pangadĕgna, nja masih dina lontar bae ari ngagambarna mah. Mimiti ti harita wajang-poerwa sok make tatabeuhan, nja eta salendro; sarta make dikakawenan koe tĕmbang gĕde; gambarna diwadahan koe kandaga; ari dipakena ngan dina pasamoan gĕde bae; anoe ngadalangna PREBOE SOERJA MISENA koe andjeun. Harita tahoen Soerja 1145.

Saroeksakna Djanggala koe bandjir, PREBOR SOERJA MILOEHOER toeloej ngoelon djoemĕnĕng radja di Padjadjaran kasilih wawangina PREBOE MAESA TANDREMAN, andjeunna ngĕrsakeun ngomean wajang-poerwa tea, pokona nja bangoen wajang Djanggala tea bae, ngan didjangkoengan digĕdean meueusan dipapantĕs disoesoeroep; digambarna lain dina lontar ajeuna mah tapi dina daloeang. Harita tahoen soerja 1166.

Waktoe RADEN DJAKA SOESOEROEH djadi Radja Madjapait, djoedjoeloek PREBOE BRANATA, nja eta dina tahoen soerja 1283, ngadamĕl wajang-poerwa dina daloeang, digoeloengkeun didjieun sagoeloeng, sarta diwoewoehan oenak-anikna; dingaranan: wajang-beber, Dina waktoe ngalalakonkeun hidji lalakon, eta gambar dibeberkeun. Ari tatabeuhanana biasana ngan rĕbab bae woengkoel, tapi radjeun oge make salendro.

Gawena wajang-beber pikeun ngaroeat anoe kawalat, tjaraning: anoe motongkeun laki pipisan atawa pipisanana, ngaroeboehkeun seëng djeung salianna ti eta, kabeh geus ditataan dina pakĕm bab ngaroeat.

Kotjapkeun PREBOE BRAWIDJAJA I di Madjapait kagoengan poetra anoe wasis kana nekin, djĕnĕnganana RADEN SOENGGING PRABANGKARA, ditimbalan ngadamĕl gambar papakean [ 180 ]wajang-beber, ditjet warna-warna, sarta gambarna: (wajangna) lain digambar ti hareupna, tapi ti gigir, bangoen djĕlĕma noe njanggigir. Digoeloengkeun sagoeloeng-sagoeloeng, sarta dina sisina make kai, pambrihna ngarah beunang ditantjĕbkeun dina kai parantina, anoe geus beunang ngahadja ngaliangan; djadi salilana eta wajang keur dilalakonkeun bisa tĕroes meber bae nantjĕb dina kai tea. Harita mĕnĕran tahoen Soerja 1301.

Waktoe RADEN PATAH djĕnĕng Radja di Dĕmak, kasilih wawangi SOELTAN SAH ALAM AKBAR, nja eta dina tahoen tjandra 1437. Harita mimiti oerang Djawa njarĕkĕl Agama Islam. Kangdjĕng Soeltan katjida kasĕngsĕmna koe lagoe kawitan djeung koe wajang-beber. Lantaran gambar djĕlĕma dilarang koe sara Agama Islam, djadi gambar wajangna dirobah, hĕnteu disigakeun gambar djĕlĕma tjara dina wajang-beber beunang SOENGGING PRABANGKARA tea, da bisi ngalanggar tjĕgahing sara. Para wali kabeh ngabantoean njarieun wajang tea. Ari anoe didjieun lain daloeang, koelit. Tapi djaman harita mah tatjan ditatah, ngan oekoer dipoelas koe toelang beunang ngarieus, beungeutna dipoelas koe hideungan ngarah siga hiroep; ditekinna ti gigir: boeta matana doea; ari wajang sedjen mah matana ngan hidji bae: leungeunna ngahidji djeung awakna, sarta make didjĕpit sakalian didjieun gagang pikeun nantjĕbkeun. Dĕmi atoeran nantjĕbkeunana dibereskeun noeroet djangkoeng-pĕndekna wajang, disĕboetna ditata, ari koe basa Djawa disĕboetna disimping.

SOENAN GIRI nambahan gambar wajang anggitanana koe andjeun, nja eta monjet make panon doea tjara boeta.

SOENAN BONANG nganggit gambar: gadjah, koeda djeung rampog.

SOENAN KALIDJAGA nganggit: kĕlir, gĕbog djeung balintjong.

Soeltan Dĕmak nambahan koe nganggit goenoeng noe sok ditantjĕbkeun dina tĕngah² kélir tea. Sarta pĕta-pĕtana nata wajang dina kĕlir (gĕbog) kentja djeung katoehoe, soepaja meudjeuhna keur ngawajang sapeuting. Dĕmi tatabeuhanana salendro.

Wajang-beber hĕnteu leungit, tĕtĕp bae aja, djadi tatanggapan abdi-abdi. Tapi ari djaman ajeuna mah geus beunang disĕboetkeun euweuh bae.

Harita, waktoe wajang didjieun djeung dipĕpĕkan kitoe, mĕnĕran tahoen tjandra 1443.

Waktoe RADEN TRENGGANA djadi Soeltan Dĕmak, nja eta tahoen tjandra 1447, djoedjoeloek SOELTAN SAH ALAM AKBAR anoe ka 3, ngarobah deui wajang-poerwa, nja eta beungeutna dikantaan koe tatah-koekoe, nja kitoe deui panonna djeung soengoetna. Harita tahoen tjandra 1477.

Alam SINOEHOEN RATOE TOENGGOEL di Giri ngawakilan [ Gb5 ]

Wajang beber.

[ 177 ]Soeltan Dĕmak, njaeta dina tahoen tjandra 1480, andjeunna ngarobah deui bangoenna wajang-poerwa, nja eta rada dipĕndekan, wajang awewe boeoekna digĕloeng-gaplekkeun, make djamang, kangkaloeng djeung anting, kilat bahoe djeung korontjong, wajang lalaki oge aja anoe ngaroendaj boeoek nĕpi kana taktak, digĕloeng-gaplekkeun, aja anoe digĕloeng sarta make papakean sedjen: djamang djeung salianna papakean radja kapoetran, dewa djeung boeta; wajang monjet make tjawĕt tjara artja, Kadjaba ngatoer wajangna ngatoer lalakonna deuih djeung nganggit kakawenna djeung kapĕrloean wajang lianna ti eta. Barang geus anggeus samakta sagalana, eta wajang dingaranan wajang-kidangkantjana. Harita tahoen tjandra 1478.

Dina tahoen tjandra 1485 SOENAN GIRI nganggit wajang gĕdog, bangoenna tjara wajang-poerwa bae, ngan gĕloeng soepithoerangna dipitjeun, saria kabeh marake kĕris; ari anting, geulang djeung kangkaloeng, eta oge masih marake (di Djokjakarta wajang gĕloeng teh marake ikĕt); boeta djeung monjet teu aja; ari kasabranganana: Prĕboe Kalana make balad Boegis marake ikĕt ĕlisna diboeleudkeun. Ari anoe didjieun lalakon mĕtik tina boekoe Pandji sapeutingeun-sapeutingeun; tatabeuhanana pelog, ari ngakawenanana disoeroepkeun kana tatabeuhan lĕbah, gangsal nĕm djeung barang, ngaranna gardjita watang, manggala gita, midjil djeung magatroe.

Dina tahoen tjandra 1486, SOENAN BONANG nganggit wajang beber-poerwa; tatabeuhanana: rĕbab, kĕndang, tĕrĕbang, angkloeng, kĕnong sarĕng kĕtjrek; eta wajang katĕlahna wajang beber bae, tatabeuhanana disĕboet katiprak.

Waktoe RADEN DJAKATINGKIR djadi Soeltan Padjang. djodjoeloek SOELTAN ADIAWIDJAJA, nja eta dina tahoen tjandra 1503, andjeunna ngarobah bangoenna wajang-poerwa, babakoena pisan ngaganti roepa papakeanana, nja eta dipasing-pasing sarta dipapantĕs papakeanana para ratoe, para satria, para ponggawa djeung balad-balad, marake dodot djeung tjalana, atawa make dodot teu ditjalana koemaha pantesna bae; ari boeta jeung monjet anggĕr make tjawĕt panonna doea; para dewa wajangna tjara artja ngaboleger teu make badjoe; wajang awewe boeoekna nga­roendaj nĕpi kana lĕbah tjangkeng. Djeung make ditambahan pakakas: gada, bindi djeung toja. Leungeunna masih ngahidji djeung awakna. Ari bangoenna djeung oekoeranana anoe didjieun patokan wajang-kidangkantjanna. Jasa Soeltan Dĕmak tea, nja eta palĕmahanana ditambahan satĕngahna. Mimiti wajang-poerwa djeung wajang-gĕdog ditatah gajaman dina tahoen tjandra 1505.

SOENAN KOEDOES nganggit wajang-golek bangoenna njoetat tina wajang-poerwa tea, nja kitoe deui lalakonna nja lalakon [ 178 ]wajang-poerwa bae, tatabeuhanana saroea salendro; ngan paranti ngawajangna henteu make kĕlir, make gantar tjara sampajan, papanggoengana hĕnteu make gĕbog, anoe dipake kai diliangan pikeun tĕmpat nantjebkeun wajang. Babakoena keur tanggapeun ti beurang.

Dina tahoen tjandra 1506, Soeltan Padjang ngadamĕl pakĕm wajang-poerwa djeung wajang-gĕdog.

Dina djaman PANEMBAHAN SENOPATI HINGNGALOGO djoemĕnêng Radja Mataram ngawangoen wajang-poerwa, bahanna wajang boeatan Padjang tea, digĕdean ti asal; boeoek djeung dodotna ditatah batikna limar atawa tjinde, oenggal wajang dipasieup dipapantĕs. Salian ti kitoe andjeunna ngadamĕl wanda wajang anoe bakoe: Ardjoena wandana djimat; Bima wandana mimis, hĕnteu didodot ngan ditjawĕt bae. Kadjaba ti eta andjeunna nambahan parabot wajang, kajaning: sato leuweung djeung sabangsana. Ari leungeunna mah harita oge masih ngahidji keneh djeung awakna. Sanggeus rengse ngawangoenna wajang toeloej disangkalaan koe sangkala-mĕmĕt: gambar Batara Goeroe njĕpĕng tjis, ditoekangeunana make oemboel-oemboel nantjĕb. Eta sangkala maksoedna kieu: dewa djadi ngĕtjis, tĕgĕsna tahoen 1541.

Dina djaman Kangdjĕng Sinoehoen Prĕboe Hanjakrawati anoe poepoes di KarapjaK tea djadi Radja Mataram andjeunna ngawangoen deui wajang-poerwa, babonna wajang-kidangkantjana tea, gèdena wajang njaeta wajang asal digĕdean satĕngah make patokan lĕbah palĕmahanana: Ardjoena wandana djimat, Bima wandana mimis. Soejoedana djangkoeng, Radja boeta barong sarta sabaladna marake mata doea, leungeunna anoe toekang ngahidji djeung awakna. Pakakas pĕrang ditambahan deui: kĕris, panah djeung sapapadana. Ti harita mimiti wajang-poerwa leungeunna leungeun-gantel, ngan Batara Goeroe bae hidji anoe leungeun-maneuh teh, dihadja minangka, djadi pengĕt kana jasana Mataram kahidji. Barang anggeus toeloej disangkalaan koe sangkala-mĕmĕt, gambar boeta-peling, leungeunna leungeun-gantel doea, matana hidji, njoren kĕris, dina padalangan Djawa disĕboetna Dĕnowo Panjareng, ari loembrahna sok disarĕboet Boeta Tjakil, di Tjirĕbon disarĕboetna Kala Njoengir, lantaran sihoengna eta ti hareup ka loear ngaliwatan biwir loehoer; ari maksoedna eta sangkala; leungeun boeta tataning djalma, tĕgĕsna tahoen 1552.

Barang Soeltan Agoeng Prĕboe Tjokro Koesoemo djadi Radja Mataram, andjeunna ngadamĕl wajang-poerwa, Baladewa wandana geger, Krĕsna gĕndreh, Ardjoena mangoe, wajang anoe dangah rada ditoengkoelkeun meueusan tapi panonna djait. Soembadra bangoenna djalantir. Banowati wandana golek tĕgĕsna [ 179 ]ngeusi djeung singĕr, Sĕmar wandana brĕbĕs, Bagong wandani giloet, Petroek (Si Dewala) wandana djlĕgong.



33. NJI POENIANDJOENG DJEUNG MONJET MANDAH.

(VOLKSLECTUUR No. 154).


Katjarios aja sahidji poetri djĕnĕnganana NJI POENIANDJOENG.

Eta poetri, poetra radja, geulisna kabina-bina, kasohor ka mana-mĕndi tina kageulisanana. Dina keur djaman harita para poetri hĕnteu aja noe ngoengkoelan.

Dĕmi iboe-ramana geus paroepoes, djadi ngan kari andjeunna bae, noenggĕlis.

Ari padamĕlanana hĕnteu aja lian ti ngeujeuk.

Ka eta NJI POENIANDJOENG geus rea pisan para radja noe nanjaan, tapi andjeunna tatjan kĕrsaeun tjarogean, sabab tatjan aja anoe soeroep kana manahna.

Katjarioskeun dina waktoe harita aja hidji ratoe monjet, ngaranna GOEROE MANDAHONG, boga doeloer awewe sahidji, ngaranna si SAIDEUH.

Eta ki GOROE MANDAHONG kaedanan koe poetri NJI POENIANDJOENG. Moen ti beurang tara pati baranghakan, ti peuting sok tara hees koe bangĕting bogoh ka poetri, pikirna hajang ngalamar.

Geus kitoe, njaloekan ka adina awewe, anoe ngaran si SAIDEUH tea, pokna: „IDEUH, ajeuna aka rek mĕrih pati menta gawe ka awak maneh, daek, teu daek, koedae daek, panglamarkeun koe maneh NJAI POETRI POENIANDJOENG, sabab ajeuna aka geus hajang boga pamadjikan ka poetri geulis”.

Si SAIDEUH ngadjawab bari djeung ngawih, pokna:

„Adoeh-adoeh, kang MANDAHONG, deuh,
Koela mah teu sanggoep teuing, deuh,
Nanjaan ka noetra radja, deuh,
Rea papatjanganana, deuh,
Mo daekeun, mo soekaeun, deuh,
Da aka mah ratoe monjet, deuh,
Loba keneh bangsa ratoe, deuh,
Noe palaj ka POENIANDIJOENG, deuh”.

GOEROE MANDAHONG ngambĕk ka adina bari ngomong, pokna: „Eh, SAIDEUH, naha sia teh rek baha ka aing? Bĕt loba teuing omong; hajoh, ka ditoe sia geura indit, lamoen teu daek, mangke sia dipaehan koe aing”.

Si SAIDEUH tjeurik, sieuneun dipaehan koe lantjeukna. [ 180 ]Toeloej indit maksakeun maneh rek ngadeuheusan ka NJI POENIANDJOENG.

Ana datang, kasampak keur ninoen. Toeloej bae manehna poepoentěnan bari ngawih.

Kieu kawihna:


„Sampoera soen něda maap, deuh.
Agan poetri aja tjalik, deuh.
Soeganna kěrěsa nampi, deuh.
Koering amit rek ngadeuheus, deuh".

Poetri ngareret ka si SAIDEUH, saoerna: „Aeh, aeh, bět si SAIDEUH, naha bět maneh sisinarieun teuing, loemanto ka lěbah dieu tara-tara ti sasari: arek naon sia SAIDEUH, mana njampeurkeun ka aing?"

SI SAIDEUH pok hatoeran; ana ngomong salawasna sok bari ngawih, wangsotina:


„Sim koering agoeng panoehoen, deuh.
Gan poetri celah rek běndoe, deuh.
Koering dioetoes koe doeloer, deuh.
Kakang Goeroe kang MANDAHONG, deuh.
Manawi kersa ngamanah, deuh.
Kang MANDAHONG hajang nikah, deuh.
Ka kěrěsa agan poetri, deuh.
Sakitoe pihatoer koering, deuh".

Poetri teh goemoedjeng bari sasaoeran ka si SAIDEUH, saoerna: „Aeh, aeh, SAIDEUH, koetan sia teh dititah nanjaan koe si MANDAHONG, aing mah teu njana teuing. Bisi sia henteu njaho para ratoe oge geus loba pisan anoe ngalamar ka aing. parandene tatjan aja noe ditampa, sakitoe teh nja eta tatjan aja anoe tjotjog djeung hate aing. Ieu deui, doeloer maneh si MANDAHONG, mandah monjet, bangsa sato, hamo ěnja ditampa koe aing.

„Los, ajeuna mah sia geura balik, bedjakeun ka doeloer sia, koe aing hanteu ditampa".

Ti dinja si SAIDEUH toeloej balik njampeurkeun ka lantjeukna deui, arek poepoelih.

Barang datang, katendjo koe si MANDAHONG, toeloej bae diboeroe, dipapagkeun pokna: „IDEUH, meunang, IDEUH, meunang?"

Si SAIDEUH pok bebedja bari ngawih:


„Kakang Goeroe kang MANDAHONG, deuh.
Tong hajang ka poetri geulis, deuh.
Loba papatjanganana, deuh.
Monjet mah hanteu ditampa, deuh.
Koela mah teu sanggoep maksa, deuh.
Erana kabina-bina, deuh.
Poetri teh bangsa manoesa, deuh.
Lain pitandingeun aka, deuh".
[ 181 ]Geus kitoe, si MANDAHONG beuki amběk bae ka doeloerna doemeh NJI POENIANDJOENG teu daekeun, njarekan nitah indit deui barina endjer-endjeran ka adina, pokna: „Aeh, SAIDEUH, los sia geura balik deui ka Nji Poetri, bedjakeun tjarek aing: „lamoen NJI POENIANDJOENG hanteu daek kawin ka aing, mangka tangtoe diroeroegan, diroeksak koe sabalad-balad aing, djělěmana dipaehan, nagarana dirandjah, diawoet-awoet.

„Los sia geura indit, koe kitoe koe kieu aing menta walonanana. Ti dinja si SAIDEUH poerat-perot loempat barina tjeurik, sieuneun koe si MANDAHONG. Toeloej ngadeuheus deui ka NJI POENIANDJOENG.

Sadatang-datang, prak bae oendjoekan deui, dihatoerkeun sakoemaha parentah doeloerna, hanteu aja noe kaliwat; barina djeun ngawih tjara noe ĕnggeus-ĕnggeus bae.

NJI POETRI POENIANDJOENG reuwaseun katjida. Sieuneun dirandjah djeung dipaehan, gangtjang ngadjawab, saoerna: „Bet SAIDEUH, ari keukeuh teuing mah ki MANDAHONG hajang ka aing, hade koe aing ditampa. Tapi aing aja pamenta, lamoen katědoenan pamenta aing, boekti, tangtoe ki MANDAHONG di tarima koe aing, tapi lamoen teu bisa boekti, tangtoe bědo, koe aing mo ditarima.

„Ajeuna koe sia geura bedjakeun: aing menta bokor ěmas salongok, talěm satoendjang, peudjit reungit sabeulit-leuit, podol tongo saboboko; eta koedoe boekti pamenta aing noe sakitoe. Djig sia, geura indit”.

Gantjangna si SAIDEUH toeloej balik; bebedja deui ka doeloerna, kieu pokna:

„Kakang Goeroe kang MANDAHONG deuh,
Tong hajang ka poetri geulis, deuh,
Loba pisan pamentana, deuh,
Koela mah sok soesah teuing, deuh,
Talĕm ĕmasna satoendjang, deuh,
Peudjit reungit beulit leuit, deuh,
Podol tongo saboboko, deuh,
Moen teu sanggoep noe sakitoe, deuh,
Lamoen njata sapamenta, deuh,
Tangtoe laksana ka kaka, deuh”.

KI MANDAHONG seuri barina njakakak djeung soesoerakan omongna: „haha, IDEUH meunang. Pamenta sakitoe-kitoe bae mah, tai tjeuli katjang damen, aka oge sanggoep, tong dipake karisi-kasieun koe IDEUH, keun, koe aka rek disadiakeun”.

Sanggeus kitoe, wantoening monjet ratoena, toeloej ki MANDA [ 182 ]HONG gendongan ngoempoelkeun sabalad-baladna, nja eta dititah ngajakeun sapamentana NJI POENIANDJOENG.

Ti dinja boeroedoel monjet sapirang-pirang, pada ararindit, masing-masing njajab ka oenggal nagara njiar barang sapamentana NJI POENIANDJOENG.

Henteu koengsi lima poě lilana, balad monjet geus pada daratang deui, sarta geus sadia sapamentana NJI POENIANDJOENG: geus ngadjagrag di hareupeun ki MANDAHONG.

Ki MANDAHONG katjida atoheunana mani djidjingklak tjatjalakatakan seuri. Geus kitoe, toeloej manehna nitah deui ka adina, si SAIDEUH, soepaja dilaporkeun ka NJI POENIANDJOENG, jen geus sajagi sapamentana.

Si SAIDEUH těroes indit rek ngadeuheus ka NJI POENIANDJOENG.

Barang datang ka NJI POENIANDJOENG, teu koengsi dipariksa deui, téroes bae hatoeran sakoemaha papatah lantjeukna tea, ki MANDAHONG, jen pěrkawis pamoendoet enggeus sajagi.

Děmi saoer NJI POENIANDJOENG: „Aeh, aeh, SAIDEUH, aing mah teu njana teuing ki MANDAHONG, ratoe monjet, něpi ka bisa nědoenan kana sapamenta aing. Satadina aing teh poera-poera bae soepaja oelah datang ka ngadjadi, tatapi ajeuna nja dikoemahakeun, da geus milik hidajat aing ari geus teu beunang mah disingkiran, teu beunang koe akal".

NJI POETRI POENIANDJOENG sadjeroning sasaoerna kitoe ka si SAIDEUH bari mikir-mikir bae neangan pidjalaneun, soepaja oelah něpi ka ngadjadi tjarogean ka ratoe monjet.

Harita enggeus kamanah, ngan teu kědal ka loear.

Ladjeng bae miwarang moelang ka si SAIDEUH, saoerna: „Ajeuna geura prak bae maneh balik, bedjakeun deui ka ki MANDAHONG, eta barang-barang sapamenta aing tea, koedoe geura sadiakeun, djeung aing geura papagkeun koe djoli kantjana ĕmas, arek datang ka těmpatna ki MANDAHONG".

SI SAIDEUH toeloej indit balik gagantjangan. Ana datang, toeloej bebedja ka lantjeukna, ditjaritakeun sakoemaha timbalanana NJI POENIANDJOENG.

KI MANDAHONG sakalangkoeng grahitana goemira atoh katjida ngomong bari soesoerakan, pokna: „IDEUH, meunang, IDEUH meunang", bari toeloej njěloekan balad-baladna dlkoempoelkeun; kabeh sosoak djeung gogoak.

Balad monjet mani raboel rewoe-rewoe pating garoentajang taroeroen tina tangkal kai; geus pada koempoel di hareupeun ki MANDAHONG.

Sanggeusna karoempoel kabeh sarta geus sadia djolina, toeloej bae mapag POETRI POENIANDJOENG. [ 183 ]Děr monjet saloesoerakan rame katjida pesta, mani ear ting rarěgoh, tingkarotjeak, tingrarindat, hareureuj djeung batoer-batoerna; aja noe ngigěl rerengkenekan, aja noe babadajaan, pěpěutjaan roepa-roepa saking koe miloe saroeka ka ratoena rek karoengan geureuha poetri.

Hěnteu ditjatoer lilana, katjarios NJI POETRI POENIANDJOENG geus djěngkar ti nagarana sarta geus něpi ka těmpatna ki MANDAHONG.

Barang geus tětěp tjalikna, poetri njarios ka ki MANDAHONG hojong toeroen bantajan iring-iringan ka leuwi sipatahoenan bade ngěrsakeun siram. Kitoe deui eta sagala parabot, pamoendoet andjeunna tea, koedoe dibawa iring-iringan ka leuwi sipatahoenan.

Gantjang tjarita, tina sabab ki MANDAHONG kaboeroe koe asih, hěnteu djeung dipikir heula kawantoe sato, toeloej bae ditoeroetkeun sakahojongna NJI POENIANDJOENG, gěr iring-iringan deui ka leuwi sipatahoenan.

Barang geus datang ke leuwi sipatahoenan, prak Nyai Poetri lalajaran paparahoean ka těngah leuwi.

Ari keur di těngah-těngah leuwi, sabot ki MANDAHONG bongol bokorna diragragkeun koe poetri sahidji; api-api kalesotan tina pananganana.

Geus kitoe, NJI POENIANDJOENG ngadjěrit, sasambat moendoet dipangneuleumankeun bokor noe ragrag ka leuwi.

Balad monjet pada goegoep tingkalějěboer ka tjai: monjet rewoe-rewoe padu nareuleuman bokor, tapi wěleh hěnteu beunang. Malah taja hidji-hidji atjan monjet anoe bisa moentjoel deui těroes bae titeuleum paraeh saking koe djerona leuwi, datang ka ngan kari ki MANDAHONG sorangan djeun si SAIDEUH noe masih hiroep keneh; balad-baladna mah geus beak paraeh.

NJI POENIANDJOENG poera-poera nangis bae, menta dipangneuleumankeun eta bokor ka ki MANDAHONG, saoerna: „Ki MANDAHONG, geura tjokot bokor koering, mangke oerang pangantenan tea, da lamoen bokor teu beunang, hamo toeloes pangantenan”.

Gantjangna, ki MANDAHONG goegoep ngadenge saoer poetri sakitoe manisna, rasana dipikaasih, gedjěboer bae ninggangkeun maneh ka leuwi: kěrělěp titeuleum, datang ka paehna.

Ngan tinggal Si SAIDEUH sorangan, tjeurik adoeh-adoehan. Sasambat ka doeloerna, kieu tjeurikna:

     „Adoeh-adoeh kang MANDAHONG,   deuh.
     Mana tjarek koela oge,         deuh.
     Tong hajang ka poetri geulis,  deuh.
     Poetri mah sok kaniaja,        deuh.
     Koemaha ajeuna koela,          deuh.
     Mo aja noe mikanjaah,          deuh. [ 184 ]
Da doeloer geus dipaehan, deuh,
Koela pahatoe pisan, deuh”.

NJI POENIANDJOENG hawatireun ka si SAIDEUH, doemeh katingali tjeurik bae, saoerna: „Ih, SAIDEUH, meugeus, sia oelah tjeurik teuing, keun bae doeloer eta mah, si MANDAHONG, da geus paeh. Bonganna sorangan sok hěnteu nalipak maneh, hěnteu lajak, teu pěrěnah, poegoeh monjet make bogoh ka djělěma.

„Ari sia mah, anggoer miloe bae djeung aing, mangke koe aing dipikanjaah”.

Ti dinja, toeloej si SAIDEUH dibawa milih koe NJI POENIANDJOENG ka nagarana, djadi tětěp si SAIDEUH salawasna didaměl ingon-ingon andjeunna sarta itjeus katjida, ngarti kawas adat djělěma bae.

Děmi poetri NJI POENIANDJOENG, lami-lami, katjarioskeun, di lamar koe hidji ratoe ti Alas peuntas didaměl pawarang sarta djoemĕnĕng radja istri.

Sakitoe, taja ladjĕngna.



34. KORONTJONG.

Sakoer anoe rěsěp njanjabaan ka kota² galěde tangtoe geus minděng ngadenge djeung mireungeuh anoe maroën korontjong, oepadi di Batawi mah, da di dinja mah ti baheulana oge geus rea anoe rarěsěpeun katjida kana ngorontjong. Di park-park, nja eta těmpat pikeun pělělěsir njěněngkeun hate, sok diajakeun ngadoe korontjong. Koe sabab eta geus moal boa, tangtoe aja pigoenaeunana eta hal korontjong ditjaritakeun di dieu sadjarahna.

Kapoeloan Hindia-Wetan teh tjara Nagara Hindoe bae, ti babaheulana keneh geus kamashoerkeun ka boeana Eropa, jen nagara beunghar taja kakoerang, rea kětan rea kěton, gěmah ripah loh djinawi. Roepa² bangsa lir oepama papintěran paheula-paheula ka Hindia-Wetan, sarta pada nareangan djalan anoe pangdeukeutna, mambrih oelah gěde teuing ongkosna, djadi tangtoe batina leuwih moetjěkil. Dina djaman harita anoe djadi dajeuhna pasar hasil Hindia aja doea, nja eta kota Venisia di Italia djeung Istamboel deuih, nja eta dajeuhna karadjaan Toerki.

Lantaran tjěngěng atina djeung pěrtjaja kana dirina, běběng sarta gěmblěng alihtiarna, nja dina awalna windoe anoe kagěněpwělas, orang Pěrtěgěs bisa manggihan djalan ka Hindia-Wetan. Ari maratoehna di kota Djakětra, ajeunana nja kota Batawi. Oerang Pěrtěgěs tjampoer ngahidji pisan djeung oerang Priboemi, miloe bětah di Djakětra, něpi ka reuaj roendajan anak-anak baranakan Toeroenanana disarěboetna Moestiza; ari koe oerang Walanda di[ 185 ]sěboetna Mestiezen; nja anoe njaritjingan Pěndjaringan, Roea Malaka, kampoeng Bandan, kampoeng Moeka djeung salian ti eta.

Daratangna oerang Pěrtěgěs ka poelo Djawa, lain oerang Pěrtèges woengkoel, tapi marawa matros² Hindoe, nja eta oerang Goa, da harita Goa teh geus djadi bawahanana oerang Pěrtěgěs. Oerang Goa lolobana těroes maratoeh bae di Djakětra; děmi adat djeung tjarana naroeroetan djoeraganana tea bae, oerang Pěrtěgěs; sarta pada ararasoep Agama Christen. Salian ti oerang Goa aja deui bangsa Christen anoe harita maratoeh di Djakětra, nja eta oerang Ambon djeung Banda.

Roepa² tatabeuhan parabot moesik bawa oerang Pěrtěgěs sok ditarabeuh koe maranehanana, kajaning: biola, soeling, tamboer .. dj.s.t. Aja saroepa tatabeuhan anoe meh saroepa djeung Gitar, nja eta korontjong tea. Ari didjieunna hěnteu make parabot hade, ngan koe leungeun bae; anoe didjieun kai, ngaranna ahorn; make kotak-sora, make beuheung djeung beuteung deuih koe papan, talina 5. Ari ditabeuhna: talina diteueulkeun koe ramo leungeun kentja, ramo leungeun katoehoe anoe mětenna Tah kitoe asal-asalna noe matak dingaranan korontjong.

Lagoe bawa oerang Pěrtěgěs teh roepa² pisan; tapi anoe pangngeunahna toer babari ditabeuhna dina korontjong mah ngan sahidji, Koe oerang Priboemi, eta lagoe diseboet lagoe korontjong-handap, atawa pondokna lagoe korontjong. Ari oerang Pertěgěs mah njěboetna eta lagoe teh moresco. Lagoe moresco rada saroepa djeung lagoe oerang, bangsa Wetan.

Oerang Christen anoe kaseboet tadi katjida rarěsépennana kana korontjong djeung moresco; lantaran eta lagoe pondok djeung senggolna soeroep pisan kana pantoenan, sindir Malajoe. Ana ngorontjong maranehanana sok manjanji patembalan. Mimiti noe saoerang manjanji doea padalisan ...... toeloej ngaranděg. Sabot ngaranděg, lawanna mikiran pitěroeseunana pantoenan tea, sabab eusina sindir mah babakoena beunang neangan djeung njoesoeroep harita. Tah lilana ngaranděg pangomberan lagoe korontjong tea, meudjeuhna pisan keur neangan pieusieunana pantoenan lawanna, ngarah soeroep kana lagoe djeung kana kaajaan-kaajaan anoe kěur karasa waktoe manjanji tea.

Djaman baheula sok loba anoe narabeuh korontjong ti peuting. komo dina paparahoean keur tjaang boelan tara teu make korontjong. Ari ditabeuhna sok dibarengan koe biola, soeling (koe awi atawa kai) djeung tamboer. Dina djaman harita basa anoe sok dipake manjanji basa Pěrtěgěs bae anoe babakoe mah, sarta manjanjina woengkoel pěrkara bobogohan.

Kadjaba lagoe moresco aja deui hidji lagoe oerang Pěrtèges anoe sok diparake manjanji, nja eta lagoe prounga; ari koe oerang Priboemi disareboetna lagoe prounga. Ieu lagoe hěnteu loba [ 186 ]ĕlak-ĕloekna, ngan salantjar bae; tapi katjida matak kagagas matak kĕlarna. komo keur anoe ngaloembara, sok matak ngahoedang ati ingĕt ka bale geusan ngadjadi, mani boetbat djalan-djaîan. boerbar lĕmboer djeung pasawahan tarembong dina ingĕtan. Eta lagoe meh saroepa pisan lagoe oerang, bangsa Wetan. Ari mimitina mah meh tjara lagoe moresco tea, ngan tĕroesna sedjen. Anoe rarĕsĕpeun pisan manjanji prounga, nja oerang Banda anoe maratoeh di kampoeng Bandan tea, datang ka eta lagoe katĕlah lage korontjong-bandan. Ieu mah tara dipake manjanji patembalan, sok koe saoerang, saoerang bae.

Sanggeusna oerang Pĕrtĕgĕs kadeseh pĕrangna djeung oerang Walanda, oerang Banda djeung Moestiza tea tĕroes maratoeh bae di Djakĕtra; ari oerang Goa parindah ka beh wetan ngaliwatan Tjilagoa, deukeut Tandjoeng-Prioek. Nja ngadĕgkeun kampoeng Toegoe tea.

Mimitina mah tĕtĕp bae basa Pĕrtĕgĕs tea anoe diparake manjanji lagoe moresco djeung prounga teh, tapi ari lila-lila mah nja kaelehkeun miloe kana basa Malajoe.

Sanggeusna oerang Pĕrtĕgĕs ninggalkeun Djakĕtra, euweuh djĕlĕma anoe daagang korontjong, da ngan oerang Pĕrtĕgĕs anoe sok daragang eta tatabeuhan teh bawa ti nagarana; atoeh kapaksa sakoer anoe harajang boga koedoe njarieun sorangan atawa mareuli ti orang Djakĕtra anoe barisaeun njieun. Anoe barisaeun njieun korontjong, malah nĕpi ka djaradi toekangna, nja eta oerang Toegoe tea. Ari kaina anoe aloes keur korontjong, tangkal tjampaka-bodas djeung kananga. Ari njieunna kotak2 sora, dirapĕt-rapĕtkeun bae. (dasar djeung papan igana korontjong Pĕrtĕgĕs didjieunna misah-misah koe papan sabebek-sabebek). Papan beuteungna njieunna disedjenkeun. Talina lain boeatan di dieu, boeatan nagara Tjina, sarta hadena saroea bae djeung tali anoe koe oesoes tea.

Sakabeh korontjong anoe ajeuna, boeatan Toegoe.

Sagala barang noe aja di doenja, kabeh oge taja noe langgĕng, kabeh oge keuna koe owah-gingsir. Nja kitoe deui lagoe moresco djeung prounga tea, eta oge geus loba katjida robahna ti lagoe asal; senggolna tambah loba tambah ngeunah djeung rĕsmi, beuki dieu, beuki seukeut nantjĕb njĕtjĕp kana ati, matak gioeng matak woejoeng karoengroengan. Tapi sanadjan eta doea lagoe geus sedjen deui pisan ti lagoe asal, ari pokona mah saroea keneh bae djeung noe toelen tea. Pantoenanana pinoeh koe sindir asih-kinasihan, basa kĕmat pangiroetan, djadi panghoedang ati birahi. Ngadoe tĕmboeng njoesoen pantoen, silihtempas patembalan.


Sanadjan geus meh tiloe windoe lilana orang Pĕrtĕgĕs njingkirna ti Hindia Wetan, tapi lagoe moresco djeung korontjongna nĕpi [ 187 ]
ka ajeuna masih keneh aja. Saoer alim tea mah geuning: Sagala barang henteu beunang dibasmi těměn². Sipat barang anoe kitoe keuna pisan kana eta doen lagoe; tangtoe lantaran eta lagoe, djadi ketjlaking rasaning ati oerang dieu.

Minangka keur papaes ieu karangan, ngahadja di dieu noeliskeun pantoenan djeung djawabna koe basa Malajoe Batawi.

PANTOEN MALAJOE.

1Kembang rampe kembang kwini
Kembang tandjoeng diatas batoe
Rame-rame ada disini
Kita berpantoen seorang satoe.
Djawabna Kembang tandjoeng diatas batoe
Kembang kembodja dalem moeara
Djika berpantoen seorang satoe
Saja tjoba minta soeara.
2Kembang kembodja dalem moeara
Anak kepiting mendjepit kerang
Nona jang manis minta soeara
Pasang koepinglah terang-terang.
Djawabna.Ani-ani boekanlah wadja
Orang menoemboek padi digoenoeng
Saja menjanji boekan sengadja
Boeat mengiboer ati jang bingoeng.
3 Pendjaringan kampoeng Serani
Anak Tjina mati tergantoeng
Kalau koedengar nona menjanji
Merasa poetoes hati dan djantoeng.
Djawabna. Terang boelan terang dikali
Boeaja timboel disangka mati
Djangan pertjaja moeloet lelaki
Brani soempah takvetlah mati.
4Ikan belanak dimasak soeka
Ikan sembilang didalam perahoe
Djanganlah nona memboeang moeka
Seperti orang jang tida maoe.

[ 188 ]

DjawabnaIkan sembilang didalam perahoe
Ikan selanget dipinggir karang
Kaloe hati soedahlah maoe
Lantas diboeat sembarang-barang.
5Sepueloeh kawan anak mendjangan
Toempah tjoeka dibatang padi
Biar ada jang larang djangan
Kalau soeka boleh mendjadi.
Djawabna Kapal belajar pergi di-Rembang
Sampai di-Rembang menoekar oeang
Badankoe in! ibarat kembang
Segar dipakai lajoe diboeang.
6Dari Rembang ke-Banjoewangi
Kembali lagi poelang di-Rembang
Memang kembang dasarnja wangi
Kendati lajoe tidak diboeang.
Djawabna Boeah sentoel direndem tjoeka
Anak Belanda ke-Soerabaja
Kaloe betoellah toean soeka
Apa tandanja kepada saja.
7Boeah sentoel dalam perahoe
Minjak kelapa terlaloe litjin
Kaloe betoel nonalah maoe
Marilah kita bertoekar tjintjin.
DjawabnaAnak Belanda ke-Soerabaja
Djeroek manis dari Djepara
Djika toean maafkan saja
Mengambil doeloe lain soeara.


35. DONGENGNA SAKADANG KOENGKANG.

Djaman baheula aja koengkang geus kolot, njarita kieu ka anak-intjoena:

Baroedak! bana teh didjoeroekeun dina daoen pare. Ari ěma, nja nini maraneh, harita teh ngěndogna ngan doeawělas siki, sarta diteundeunna diatoer didjadjarkeun, parageuh narapěl kana poetjoek noe ngemploh hedjo. - Hal eta, bapa ngadenge bedjana [ 189 ]beh dieu — Kira2 geus meunang saminggoe, nja mangkoek di djéro ĕndog, bapa ngarasa eungap katjida. Koe bapa kadeuleu, jen anoe dipake ngoeroengan bapa teh, koeroeng aloes nakĕr, koe bapa teh ngan djĕkek bae didjĕdjĕk, peupeus pada sapisan, na ......... ana braj teh alam doenja ngemploh hedjo mani satoengtoeng deuleu. ngeunah djeung sirna, tjahaja panonpoë tjaang lenglang sakoeriling boengking. Harita bapa teh leutik keneh pisan, meureun koe maraneh oge kaharti. tapi soekoe geus boga gĕnĕp, teu sabaraha hesena nja loemantoeng noetoerkeun sakahajang ati; djeung boga koemis pandjang deuih doea, paranti ngarampaan sagala noe deukeut ka bapa, soepaja bisa njaho naha aja pibalaieun atawa euweuh.

Teu lila bapa ngarasa loengse djeung lalĕsoe, sihoreng hajang dadaharan. Toeloej soengoet anoe seukeut ieu teh koe bapa ditjotjogkeun kana daoen noe ngemploh tea ............. teu woedoe rada hese. tapi lila2 mah nja teurak; soeroepoet koe bapa tjaina disĕrot, na aja ni'mat. Bapa ngarasa djagdjag deui; djorodjoj hajang njaba, toeloej atoeh ngalantoeng rada djaoeh. koe sabab tatjan boga djandjang, bapa liar teh badarat bae. Ari beh teh manggih aja noe ngaranggeuj, nja eta boeahna pare tea. Djlĕng bapa loentjat kana ranggeujan teh, ngora keneh nakĕr, tingkelesek kagĕdag-gĕdag koe angin. Pek koe bapa dirorek-rorek, na ana djĕj teh eusina bodas mani njatjas, soeroepoet koe bapa disĕrot, istoe ni'mat kabina-bina. Atoeh bapa teh ngahenggoj bae njĕrotan kahakanan anoe sakitoe ngeunahna, asa soemoer katoeroeban njiroe, tjek hate teh: na ari geus meunang watara dajam-djaman. bet awak bapa teh nja pandjang nja gěde, meureun aja doea kali asal mah: bapa ngarasa eungap, beuki lila beuki katjida sarta boga rasa: tangtoe boetjat geura ieu awak aing. Kěk bapa moentang kana regang pageuh katjida, toeloej hoeloe dioenggeukkeun ka hareup satakěr tanaga, koelit beuheung mani měntrang, na ana běrěbět! běrěbět! teh koelit tonggong soëh, beuki gěde, beuki gěde, toengtoengna brah bae beulah, morosot tina koelit. Plong rarasaan teh ngarasa sěnang laloeasa djeung asa djaragdjag. Beuteung ngarasa hajang dadaharan bae, euweuh seubeuhna, atoeh henggoj deui dadaharan, da kahakanan mah loba lakar daek daharna bae, mo beak. Heuleut opat-lima poë bapa měgar, beuki lika beuki gěde; ari anoe pangrěsěpna, eta oenggal2 tas měgar bapa ngarasa tambah sampoerna bae. Lila2 bapa boga djangdjang doea sarta sanggeus měgar kalima kali, eta djangdjang geus sangkěp, geus sampoerna. Ti harita bapa tara leumpang tara loentjat, moen hajang pindah kana ranggeujan sedjen teh, sok hiběr bae. Lila2 roepana sawah ěnggon bapa teh ganti, beuki koneng. Djorodjoj dina ati hajang pindah ka sawah anoe hedjo keneh.

Dina hidji waktoe, pasosore, měněran aja hoedjan, bapa barěng [ 190 ]djeung batoer² breng arindit neangan sawah noe hedjo geusan matoeh, da di koelah gětih sorangan geus teu bětah, sagala tjaketang djeung taloehoer.

Tapi di djalan bapa kapintjoet koe tjaang² noe ngagarentjlang di imah manoesa. Něpi ka ajeuna bapa ngarasa kadoehoeng, naha make kabengbat koe tjaangna damar. Toeloej bapa teh harita njirorot, asoep ka imah manoesa tea; nja andjog ka hidji pangkeng. Harita njampak loba djělěma, sarta kabeh roepana teu raresepeun bapa datang ka dinja, katjiri tingtjaregis sarta ting-harioek ngarepotkan bapa. Tapi, maraneh oge njaraho lain, bapa boga pakarang pikeun ngalawan moesoeh, nja eta dina lěpit² awak toekang aja liang sengsěrěpan; dina lěbah aja pěrlocna beunang dipake ngaloearkeun babaoean anoe hangit malikběk. Geus mindeng bapa lesot tina balai koe pitoeloengna eta djimat; saperti: geus pirang² kali rek disamběr koe manoek, ari geus rek kětjok, pělěděk djimat bapa dikaloearkeun, kalieus bae manoek teh, leos bae balik deui, teu wanieun ngadeukeutan deui ka bapa. Harita, basa bapa asoep ka imah manoesa tea, nja kitoe deuih; barang katembong koe bapa, jen djělěma teh kareuheuleun ka bapa, toeloej bae djimat teh dikaloearkeun, Pělěděk! pělěděk! mani geus pingeh sapangkeng. Toeloej bae damarna dipareuman djeung sigana bae těroes ka enggonna harees. Ari bapa gantjang bae bidjil, djalan kana sela² bilik, toeloej njampeurkeun batoer² deui. Ah, eta mah manoesa aja ngewa babangoenan teh ka bangsa oerang; karepna teh ngan hajang maehan bae ka oerang teh, komo lamoen oerang arēj-arèjan mah djeung batoer areunteup kana pare noe keur beuneur hedjo, geus lain di kieuna bae amběkna teh, da eta tjěnab pare anoe disérot atjina koe oerang teh, tara aja eusina, sok hapa kokoroimpong. Lamoen parena hapa kitoe, pohara handjeloena manoesa mah. Eta sababna noe matak sabeunang-beunang karepna hajangeun maehan ka oerang.

Ari tarekahna aja noe ganggeng atawa bangke keujeup ditiiran, toeloej ditantjebkeun dina galengan, da eta manoesa mah njarahoëun, jen oerang beuki pisan kana ganggeng djeung bangke keujeu; tapi..... tapi saha² anoe kagendam koe eupan, pek eunteup di dinja, tangtoe němahan pati, sabab ari preuk oerang eunteup ka dinja, ari torodjol djělěma mawa ohor ngarerab oerang. Aja deui anoe ngagendam koe obor, saha anoe njampeurkeun ka dinja, tinangtoe njorang balai.

Eta tarekah tatjan sabaraha, ari anoe panggedena mamalana ka oerang mah, eta, ana geus kabeh patani goejoeb tandoerna babarengan dina sawaktoe, atoeh asakna oge rempěg bareng. ana brak teh sawah teh satoengtoeng deuleu marakbak koneng kabeh, euweuh tembong hedjo-hedjo, tah eta ana geus kitoe estoe seunggah half teh, sabab lamoen oerang ěmboeng paeh langlajeuseun koedoe [ 191 ]pindah djaoeh kabina-bina, lain lakonaneun panganggoeran. Di djalan loba batoer oerang anoe mopo, paraeh.


36. TINA HAL DJAPATI.

Djapati teh lain djaman ajeuna bae, ti baheula oge sok dipake kalangěnan, babakoena koe menak² 1jeung koe noe baleunghar. Ari djaman ajeuna noe masih keneh loba noe ngingoe ajapati pikeun kalangěnan ngan di Djogjakarta, diarah hiběrna ngalajang di awang. Tapi moenggoeh keur bangsa Europa mah, lain ngan keur kalangěnan bae, tapi dipake pikeun kapěrloean deuih, sapěrti pikeun nganteurkeun soerat ka nagara sedjen.

Djaman baheula, samemehna aja kapal-api, oerang Europa ka Amerikana sok marake kapal lajar bae; anoe laralajaran make kapal-lajar perloe katjida marawa djapati, pikeun ngadjaga dina tjilakana, misilna: kapalna kalěboeh, kahoeroean tea atawa bidjad oepamana, pěrloe pisan maranehanana ngaleupaskeun djapati beunang ngagantelan koe soerat; engkena eta djapati balik ka lemboerna datang ka imah djoeraganana tea. Djadi baraja-barajana noe kalěboeh njarahoeun jen eta kapal katjilakaan. Istoe matak heran koe djapati, sanadjan dibawa lajar sakoemaha djaoehna oge. aneh bět njaho bae di lěmboer sorangan, toer teu hese teu naon neanganana djalan balik teh

Djapati aja tiloe roepa:

a. djapati-peuntjit;

b. djapati-hiběr;

c. djapati-leuweung.

Djapati-peuntjit adatna kědoel, karěsěpna tjitjing di imahna bae, nja sok daek oge liar, hiběr koeloejang-kalajang, tapi tara djaoeh. Djapati-hiběr ti memeh dipiara oge geus katjiri, nja eta ana hiber teh loehoer pisan ngalajang di awang², tapi ana toeroen angger bae tjara sapopoena.

Djapati-leuweung adatna giras pisan, djeung ana hiběr teu daekeun ngaboeboehan; beungeutna rada beda djeung diapati noe biasa, salawasna sok tjoelanggeuk bae djeung tjingeus bangoon anoe sieun. Eta tjitjiren anoe diseboetan bieu ti kadjaoehan oge tembong.

Tjitjiren hade-gorengna djapati katembongna dina beungeut djeung boeloena. Dina boeloe noe hade teh boeloe hidji, hartina roepa těroes, saperti: bodas boh hideung, beureum atawa koeławoe koedoe těroes bae kabeh oge. Ari beungeut anoe hade, matana koedoe „parat", nja eta herang ngentjlong. Pangna diseboet „parat" atawa Djawana „pandjing", sabab lamoen matana koe [ 192 ]oerang diteuteup, něpi ka siga parat kana mata anoe sabeulah deui, pangirana bangsa oerang ěnja eta teh parat, padahal ari ěnja-ěnjana mah ngan koe bawaning herang bae, ngentjlong.

Ari milih awewe-lalakina gampang, nja eta biasana lalakina leuwih gede ti awewena, djeung běger deuih lalakina mah, sarta sorana leuwih gede.

Děmi milih kolot-ngorana djapati kieu: babakoena pisan koe gěde-leutikna sora, noe gěde kolot noe leutik ngora. Eta akal kitoe, lamoen oerang koedoe milih ti kadjaoehan, da hadena pisan mah koedoe dirampa: di loehoereun liang iroengna aja anoe njëntil bodas eusina bodas siga tipoeng, lamoen njèntilna gěde, eta noedoehkeun geus kolot; lian ti eta koe ngilikan koelit anoe aja dina pamatoek kentja-katoehoe, lamoen geus kanděl, eta noedoehkeun geus kolot.

Imah djapati biasana ngan make tihang hidji, di djěrona dikotak-kotak; sakoerilingna make lawang laleutik djeung make těpas deuih, pikeun ngarioehanana. Lamoen imahna gěde, aja oge anoe make disoesoen. tjara loteng.

Lamoen lain kitoe bangoenna imah djapati teh, hade sedjen roepa oge, darapon saatoeran dina pěta-pětana djeung noe tadi tea djeung kira matak pikabětaheun ka djapati. Tapi těmpatna koedoe milih anoe rada tonggoh toer toehoer, deuih, sarta bisa meunang hawa běrěsih djeung katodjo koe panonpoë; poma oelah di noe hieum atawa taneuhna baseuh, sabab matak gěring djapati.

Miarana: parab djapati babari kabina-bina, nja eta beas djeung bangsal. Lamoen geus diparab koe eta, teu pěrloe diparaban deui sedjen roepa; beas djeung bangsal eta parabna noe bakoe. Aja oge anoe boga pamanggih, djapati diparaban koe sangoe ditjampoer djeung bakatoel, sarta bareukieun pisan djapati kana sangoe ditjampoer bakatoel teh. Nginoemna koe tjai noe běrěsih sarta herang djeung oenggal poe koedoe diganti, oelah něpi ka bari, karana matak djadi panjakit ka djapati; djeung oelah pisan něpi ka saateun, sabab adatna djapati bisa koeat teu njatoean doea poë, tapi teu nginoem mah sapoe oge paeh.

japati noe dikoeroeng miarana koedoe leuwih apik ti balan djapati anoe ngentjar, sabab tara hiběr: ari hiběr tea keur djapati pěrloe kabina-bina, matak waras badan; katoeroeg-toeroeg kapan baranghakanna oge, noe dikoeroeng mah, saaja-aja noe dísadiakeun bae.


Lamoen oerang ngoeroeng djapati sakoerěn, biasana sok tereh endogan, lobana doea siki, sarta sok toeloej bae disileungleuman. dina 14 poê teh měgar. Djapati noe ngentjar oge sok ngarěndog. lobana doea siki deuih, ana měgar teh biasane, lalaki hidji awewena hidji, radjeun oge djadi lalakí doeanana atawa awewe doeanana. [ 193 ]tapi arang. Ari ngěndogna loembrahna dina těngah poë. Anoe njieun sajangna djapatl lalakina, ngala djoekoet djeung roentah anoe beunang didjleun sajang poelang-anting ngakoet; aja deui tabeatna lalakina sok noetoer-noetoerkeun bae awewena.

Endog djapati oelah pisan dipindahkeun koe oerang, sok tara měgar. Dina waktoe njileungleum, lalakina oge sok miloe njileungleum, katendjona estoe roentoetroekoen pisan. Indoengna njaah katjida ka anak, dikeukeupan dihoeapan bae gawena, nepi ka anakna bisa matjok kahakanan koe sorangan.

Laoek djapati ngeunahna pisan anoe masih pijik keneh. kadjaba pělěm teh matak koeat deuih.

Djapati karĕsĕpna ngaboeboehan. ana haliběr loehoer ngalalang di awang² siga pisan mega. Djělěma anoe ngingoe djapati ngan saeutik, minděng djapatina sok leungit kabawa koe boeboehan anoe loba tea; anoe boga loba, djapatina gantjang pisan ngalobaanana. da katambahan koe djapati batoer anoe ngan saeutik tea, kairid koe djapatina.

Aja deui adatna djapati anoe aneh: lamoen oerang meuli djapati sadjodo noe geus kolot di pasar, datang ka imah toeloej dikěntjarkeun, eta geus beunang dipastikeun bae baralik deui ka imahna noe heubeul. Sok aja anoe boga akal, eta djapati koe manehna diteukteukan djangdjangna, toeloej dikěntjarkeun; salila tatjan barisaeun hiběr mah, sok tingkoelinting di dinja bae, tapi mangke di mana geus djaradi djangdjangna, geus barisaeun hiběr deui biasana sok baralik deui bae ka imahna heubeul. koe sabab eta anoe geus ngalarti mah tara daekeun meuli djapati; kolot, da sok baralik deui.

Djapati kaasoep arang langka keuna koe kasakit, oepama aja noe gěring teh, taja lian lantaranana ngan koe kotor imahna bae; ana gěring sok babari tjageur deui. Ari ka tjirina gěring hoeloena sok tjarěngkat djeung bangoen anoe lalěsoe, taja tanaga.

Djapati anoe loembrah gawena euweuh deui ngan keur karěsěpan, diarah ngapoengna ngaralajang di awang²; sok aja anoe digantelan soesoelingan laleutik dina soekoena, atoeh ana brěng: teh haliběr ngaboeboehan, mani ngagoeroeh sora soeling anoe dina soekoena disarada, matak njoekakeun ka noe boga.

Djapati anoe geus biasa kana hibér loehoer kitoe ngalajag di awang² beunang diadjar ngarah ngarti make kohkol oepamana, ěgkena ngarti lamoen oerang nakol kohkol, brěng bae djapati teh barěng hiběr kabeh, toeloej ngalajang něpi ka sadjam atawa leuwih, kakara taroeroen deui. Děmi waktoena anoe hade pikeun ngahiběrkeunana isuk², samemeh panas, něpi ka poekol 8. njaeta di mana. langit geus matak serab.

— 192 —
[ 194 ]Djapati hĕnteu kaasoep kana manoek anoe ngeunah sorana, tapi lamoen oerang ngarah sorana aja tarekahna, njaeta dibastěrkeun: eta djapati koe oerang didjodokeun djeung manoek noe sabangsa anoe aloes sorana, kajaning djeung tikoekoer atawa poetěr. Ari ngadjodokeunana: djapati awewena djeung tikoekoer atawa poetěr lalakina; ana anakan, anakna sorana sok aloes djeung gěde deui.

Djadi ngingoe djpati mah, asal hade bae ngoeroesna, iain kaasoep kana njiksa sato, sabab salilana dioeroes parabna djeung dikěntjarkeun deuih, hěnteu dikoeroengan.

37. SADJARAH TJIKOENDOEL.

(SAMBOENGAN ALMENAK 1920).

A s m a r a n d a n a.

165. Barang djěng djadi Boepatl, hěnteu aja antarana, pangkatna Dipati bae, teu nganggo Toeměnggoeng heula, kotjap mangsa harita, dajeuh Tjiandjoer katjěloek, poendjoel ti tanah Pasoendan.

166. Rea harta rea harti, rea kěton rea kětan, rea menak jasa ngaos, babakoena ngaos koerän, malah rea noe hapad, tarekat pakih djeung oesoel, diotjeh sapapandjangna.

167. Sadjaba oesoel djeung pakih, pada ngaos ilmoe palak, istoening běger përlente, kana kosoekaan doenja, taja anoe kaliwat, kana wajang kana pantoen, djeung kana ngeset biola.

168. Bisa nja kitoe deui, pamaenan Tjina tea. anoe disěbut maen po, menak-menak pada soeka, baris ngadjaga baja, moen aja bantjang-pakewoeh, dilawan koe langkah matjan.

169. Njandak goeroe ti Batawi, milih goeroe noe geus kotjak. djeung njandak goeroe ti Bogor, Aki Kahir katělahna, diadoekeun djeung Tjina, Tjina ditondjok ngoedoepoeng, kasosok boeka kelekna.

170. Djadi meunang Aki Kahir, harita dibajar kontan, wang perak salawe kěton, djaba panganggo loengsoeran, katjaba tina Dalěm rěsěp kana pantoen, malah njaoer ka noe anggang.

171. Aja anoe kongas leuwih, ngaranna Aki Warsita, pěrlente rea lalakon, djeung ngeunah aleuanana, aja di Soedalarang, harita geuwat disaoer, dipapag oeang djeung koeda.

172. Reudjeung rěsěp kana ngibing, njaoer ronggeng ti noe unggang, ari anoe leuwih tjotjog, ral Dalĕm Paněmbahan, Raden Arja Wasita, datang ka teu paja nganggoer, těmbang djeung ibing-ibingan.

173. Karěsěpna lagoe miring, mana ajeuna tapakna, menak Tjiandjoer mamaos, lagoe miring sědjak Těgal, kitoe sasakalana, harita dajeuh Tjiandjoer, gĕgĕkna kabina-bina. [ 195 ]

  1. Toenda heula noe keur bakti, aja sésèmpalan kanda, nja eta noe katjarios, nagara Soemědang-arang, pěntjaran Padjadjara kotjap watěs Geusan Oeloen, sanggeus Oeloen apoepoetra.
  2. Noe gëntos djadi Boepati, Rangga Gède katělahna, poetra Dalem Rangga Gěde, Rangga Gempol katělahna, Rangga Gempe poepoetra, paměgět toer djadi ratoe, meunang pangkat Paněmbahai
  3. Menak kongas gětol tani, kasengsrěm ngabědah sawal pirang-pirang jasana teh, Sang Paněmbahan poepoctra, Toemenggoeng Tanoemodja, poepoetra Dalem Toemenggoeng. Pangran Koesoemadinata.
  4. Pangeran poepoetra deui, cjoemblah salikoer reana, noe re teu katjarios, tjatoerkeun. poetra istrina, noe asal ti pawarang, ui eta anoe didjoengdjoeng, djadi Boepati Soenèdang.
  5. Katělahna Dalem Istri, iboena Banoenagara, toeroenan menak Pagaden, Dalem Istri tjarogean, ka nenah Limbanga djenenganana diseboet, Dalěm Soerianagara.
  6. Menak kasep djangkoeng leutik, poetra Dalem Wangsadit: rempoeg ragěm sěpoeh kabeh, poetra istri noe diangkat, sababn ti pawarang. saderek paměgét répoeg. soemoedjoed sědja ngawoela.
  7. Tjaroge ngan noeroet moekti taja pisan kawasana, Dapet Istri katjarlos, tiloe poetra paměgětna, hidji poetra istrina, saderek paměgět moeloes, Dalem Koesoemah di Nata.
  8. Kadoea paměgět deui, Dipati Soerjanagara, katiloe pamėgi keneh, Dipati Soerialaga. Raden Adjeng kaopat, eta poetra anoe tiloe, ganti-ganti djoeměněngna.
  9. Poepoes diganti koe ra, that datang ka boengsoena, Ir. lantaran dipotjot, katjarita Dalen Soerja, noe asal ti Limbangan datang adjaina geus poepoes, Dalem Istri kantoen randa.
  10. Dalem tjarogean deui, ka Raden Nitinagara, kapernah saderek mindo, poetoe Dalem Tanormadja, ngan meunang doea poetra dina sadjarah diseboet, istri bae doeanana.
  11. Radja Intěn anoe hidji, kadoeana Raden Enang, pěntjana teu katjarlos, kébatkeun bae kandana, Boepati di Soemědang Dalem Soerjalaga poepoes, diganti koe anoe lian.
  12. Poetra Dalem Adipati, Soerjanagara noe wapat, eta mnasa boerèj keneh, Raden Diamoe paměětna, tiloe poetra istrina, el sahidji diseboet, Nji Raden Jogja nagara.
  13. Kadoea. Nji Raden Bandi, katiloe Raden Soerijn, Rai Soerjalaga oge, baroeěj keneh poeirana, geus taja noe tawka tjikalna Raden diseboet, nělah Mas Soeradinata.
  14. Kadoea paměgět deui, Raden Soeradiparadja, katiloena Ni Mas Sawon, kaopatna ti pawarang, djenengan Raden Era, poeti kalima diseboet, Rahaden Soera wiredja.
  15. Djedjeg kagěněpna istri. Ni Racen Mreljanagara, eta ano [ 196 ]katjarios, tatjan aja noe tawěkal, mana dajeuh Soemědang, soesah karěboet nja pajoeng, koe menak Parakanmoentjang.
  1. Eta noe djadi Boepati, Dalem Wiratanoebaja, aja manahna teu sae, ka poetra Soemědang, nanahna timboeroean, karana anoe dimaksoed, koe Dipati Tanoebaja.
  2. Tětěp ngadjadi Boepati, toeroen ka poetra poetoenn, sanggeus kitoe katjarios, Dalem Panoebaja wapat, diganti koe poetrana. nja eta anoe diseboet. Toeměnggoeng Poetra Koesoemah.
  3. Eta anoe leuwih dengki, ka poetra-poetra Soemědang, kahojongna toempoer kabeh, oelah aja anoe měnjat, tambah² risina. ningali ka Raden Djamoe, pantěs děděg-pangaděgna.
  4. Sorotna djadi Bopati, boedi tingkah lelewana, legeg pantes djadi Regent. kitoe deui Raden Ema, doeanana oetama, djol manah Dalem Toeměnggoeng. Den Djamoe dileler poetra.
  5. Istoe lain sabab asih, ngan pambrih djadi panjangtjang. oelah liar djaoeh bae, bisiną něda saraja, ka noe bakal noeloengan, gantjangna noe mangoen tjatoer, Raden poetra enggeus nikah.
  6. Kakasihna eta istri, Nji Raden Tjandranagara, Raden Djamoe geus digentos, Rahaden Soerjanagara, kitoe deui Den Ema. djěněngannana diseboet, Raden Soeriakoesoemah.
  7. Manah doeanana tiis, Raden enggeus katallan, meureun manah Dalem djempe, tatapi eta soelaja, reudjeung kira-kirana, karaman teh beuki madjoe, Dalém timboeroeannana.
  8. Manah dělik tapi rikip, Dalěm rěměn miwarangan, ngadodoho di noe bongoh, Raden dipoendoet njawana, tapi sok doemadakan. aja lantaran rahajoe, henteu němah ka salira.
  9. Fidji mangsa Raden ngiring, ka Litjin boeboedjeng oentjal. di těgal pamoroan teh, aja pamatang noe ngoedag, barina ngabar gobang, soesoembarna maroes-maroes, Raden dioedag ka lěbak.
  10. Lamoenna Raden katěpi, koe pamatang anoe ngoedag, moal gagal tjek dikadek, Itaden kébat ka boemina, barina roenghap-renghap, eta diabana di kitoe, rea deui meh tiwasna.
  11. Katjarita basa tadi, keur di těgal Litjin tea, Dalem kaljolok koe kaso, sotjana walěs katjida, eta kitoe adilna, Pangeran noe Maha Loehoer, radjeun kontan wawalěsna.
  12. Eta pagawean dengki, awal achir koedoe tampa, halěsan adil Jang Manon, henteu kapanggih di doenja, di acherat kapěndak, eling-eling anak intjoe, sabeunang-beunang singkahan.
  13. Ajeuna kebatkeun deui, lalakon Raden Soeria, tambah soempěg manahna teh, Dalem teu aja sepina, manahna timboeroean, teu kalis noe djadi mantoe, ari radjeun ngadeuheusan.
  14. Dalěm njaoer sindir-sampir, sillb njogok kana manah, Raden lampi raos bae, raosna asa direrab, ngěrěs ngěrik manahna, tjisotja bidjil moeroeboet, sasambat ka noe ngajoega.
  15. Tapi njaoerna teu lahir. ngan moentang sadjroning manah, [ 197 ]he Allah Goesti Jang Manon, njanggakeun raga djeung njawa Andjeun anoe kagoengan, ěh Ejang para: loeloehoer, koering pajoengan aoeban.
  1. Raden henteu tahan tjalik, raos asa ditiroekan, teu lila tjon njěmbah bae, moelih njoesoetan tilsotja, hidji mangsa koempoelan ti peuting rioeng-moengpoeloeng, piderekan piramann.
  2. Piiboean pada nangis, pada ngoesapan Raden koemaha bae, sangkan salamět salira, lamoen kieu pětana samar toeloes meunang tuhoen, samar bisa meunang boelan.
  3. Tadi aja anoe ngoeping, di djèro eukeur goeněmun. koempoelan noe toekang kětok, djalma ti Parakanmoentjang, kadengena saliwat, moen kapanggih di noe singkoer, geuwat pisahkeun njawana.
  4. Eta moal naon deui, maneh tangtoe noe diarah, Rade: Soerta ngawalon, poegoeh bae kitoena mah, eta moal mundjangan, no diarah oelah hiroep, nja djasad kaoela pisan.
  5. Ajeuna koela geus mikir, rek leumpang saparan-paran, nganteur Indoeng soekoe bae, sepoeh-sepoeh ngawalonan, sae lamoen rek angkat, montong djaoeh noe didjoegdjoeg, koedoe ka Limbangan heula.
  6. Rek loenta ka mana-měndi, gampang koemaha ti dinja, pomoelah koerang naros, tangtoe aju pitoeahna, ngawalon Raden Soeria sédja kaoela nja kitoe, marěk heula ka Limbangan.
  7. Moegi bae aja takdir, toeroet lampah panemisahan, tina asa balangsak teh, kalah koe tjiliwidara, moeboes ka Soedalarang, tidinja meunang pitoedoeh, jasa ngadjaběl nagara.
  8. Parempoegan enggeus gilig, piramann pliboean, koedoe peuting ieu bae, angkat ka dajeuh Limbangan, geus pada njarangoean manah tjēngeng henteu moendoer, ngambangkeun ka Noe Wisesa

8. MASKOEMAMBANG.

  1. Sěpoeh anom henteu kuelem sapeupeuting, pada sosonoan istri tatjan eureun nangis, ganti-ganti ngatoeranan.
  2. Andjeun Goesti doenoengan djoeragan koering, poma oelah weja, dl djalan koedoe tjaringtjing, bok bilih koemaha onam.
  3. Kongkorongok hajam djeung manoek rarltjit, oepama di djalma, ngadjoeroeng meudjeuhna indit, Raden geus tarapti dangian.
  4. Ladjeng djengkar doea pandakawan ngiring, sedih noe katilar, paměgět istri narangis, bari njaoer pileuleujan.
  5. Raden angkat bart nganggit-nganggit pikir, teu pěgat èněda ka noe moerba boemi langit, singgětna ka noe ngajoega.
  6. Noe diaorang koe Raden oeroetna tadl, Ejang Paněmbahan, hatanna katitih djoerit, njorang ka lemboer Samida. [ 198 ]
  7. Njorang leuweung mapaj těgal mipir-mipir, rame sasatoan, tingkotjeak tingdjarerit mileuleujankeun noe angkat.
  8. Manoek doedoet disada kawas noe tjeurik, Raden kélar manah, tjisotja moeroeboet bidjil, manah asa didoedoetan.
  9. Toenda heula noe angkat kotjapkeun deui, garwa noe ditilar. enggeus meunang warta sidik, jen tjaroge čnggeus angkat.
  10. Garwa nangis ngadjèrit maratan langit, sambat adoeh kakang, koering miloe bela pati, paeh hajang sakaloeat.
  11. Naha kakang mana ninggalkeun ka koering, koering enggeus Iklas, pisah djeung sepoeh, pribadi, sědja bela ka doeriat.
  12. Adoeh-adoeh kieu nasib diri koering, lamoen henteu bisa, diri koering panggih deui, soeka dipoepoel nja njawa.
  13. Raden Tjandranagara anoe keur nangis, keur diaroepahan, koe warga ais-pangampih, tapi djongdjon noe midangdam.
  14. Toenda heula Raden Tjandra noe keur nangis, kotjapkeun noe angkat, ka Limbangan enggeus soemping, ngadjoegdjoeg ka lěbět pisan.
  15. Kangdjeng Dalěm Limbangan anoe keur linggih, eukeur dideuheusan, waktoena asar geus ahir, dalem keur mariksa bedju.
  16. He Ki Patih kami meunang bedja angin, di dajeuh Soemědang, badjana koesoet teh teuing, sok ngadegkeun timboeroean.
  17. Timboeroean něměnan rek ngarah patl, Ki Djamoe Ki Ema. těrkana bisi ngalindih, kami mělang nanakěran.
  18. Poetra sěpoeh ngawalon soemoehoen koering, meunang wartos terang, jaktos jen diarah pati, poetra Dalem di Soemědang.
  19. Eukeur kitoe Rahaden torodjol soemping, koe Dalěm katingal, ladjeng ngaděg djeung ngalahir, barina ngahiap-hiap.
  20. Hiap Agoes diarep-arep teh teuing. tjikeneh dioepat, rehna meunang bedja angin, awak keur diarah njawa.
  21. Kandjeng Dalem ngalahir ka eusi boemi, geuwat pamasangan. tangtoe hanaang teh teulng, Raden pok amit ngoendjoengan.
  22. Ladjeng moendjoeng hatoeranna bari nangis, njanggakeun pěrtobat, djeung njanggakeun njawa diri, Dalem ka loear tjisotja.
  23. Teu ngawalon měngkěk koe bawaning watir, Raden enggeus tjéngkat, gek tjalik deukeut papatih, toengkoel njoesoetan tjlsotja.
  24. Raden Patih oengsrak-ingsreuk miloe nangis, kira satengah djam, repeh taja noe ngalahir, pinoeh keneh koe tjisotja.
  25. Sanggeus lilir Kangdjeng Dalěm pok ngalahir, geura barangdahar eta tjai bisi tiis, da Agoes meureun hanaang.
  26. Sanggeus Raden ngaleueut Dalèm ngalahir, koemaha pětana, bedjana diarah pati, tjoba geura tjatjarita.
  27. Raden njěmbah hatoeran tina mimiti, datang ka tjatjapma, Bakoеmaha noe geus djadi, kasorang koe salirana.
  28. Di palebah eukeur dioedag dl Litjin, Dalem moenggah tjengkat, sarta barina ngalahir, bo eta mah badag pisan. [ 199 ]240. Kadjeun ..... ge mo boeroeng panggih, wawalěsing Allah, Agoes masing asrah diri, ka Goesti Anoe Wisesa.

241. Ajeuna mah di dieu heulaan tjitjing, ngareureuhkeun palaj, bari oerang mikin2 , mitjeun halangan haroengan.

242. Panonpoë soeroep kaganti koe peuting, Raden geus mérěnah, katjarios oenggal peuting, di Lěbět sok ririoengan.

243. Di Limbangan meunang gĕnĕp toedjoeh peuting, peutingan rek tjengkar, koempoelan ais-pangampih, piderekan piramaän.

244. Ti pasantren kiai2 soemping, sědjana ngalajad, sarehna ngaroeping warti, jen poetra Soemědang kendang.

245. Kangdjěng Dalěm ngadawoehan ka kiai, bantoean ngadoa soepaja maksoedna hasil, ieu Ki Soerjanagara.

246. Ngawalonan sadaja para kiai, matoer iasja Allah, sĕdja njamboeng koe pamoedji, moega laksana nja kĕrsa.

247. Kangdjěng Dalěm ti dinja ngalahir deui, běněr maksoed awak, djeung ama rěmpoeg teh teuing, hade ka Tjiandjoer tea.

248. Dalěm Tjandjoer anoe loma ka Batawi, reh djaman ajeuna, koedoe kanti djeung koempĕni, eta anoe moerba Djawa.

249. Raděn Soerja ngawalon lĕrĕs teh teuing, sadawoeh gamparan, teu aja anoe dipoendi, kadjawi hibar gamparan.

250. Sad kaoela manawi aja paidin, rek moendjoeng ajeuna, sědja indit peuting-peuting kabeurangnakeun sok hoedjan.

251. Lahir Dalěm ěnja koedoe peuting-peuting, heh ieu loemajan, di djalan keur meuli kopi, Rahaden Anom tjong njěmbah.

SINOM.

252. Sěrta panganggo Ioengsoeran, Koe Dalěm geus dipaparin, pek Raden Soerja ngoendjoengan, njioem dampal bari nangis, Kangdjěng ge nangis deui, barina něpakan poengkoer, teu pěgat sasaoeran, ěh Agoes masing prihatin, didoe'akeun sing bisa ngajoenkeun awak.

253. Kiai geus ngaroendjoengan, ladjěng bae Raden moelih, moelih soteh ka pondokna, sabab rek djĕngkar djanari, soepaja tereh něpi noe didjoegdjoeg ka Tjiandjoer, toenda heula sakĕdap, malikan ka ­poengkoer deui, Kangdjěng Dalěm Soemědang geus meunang warta.

254. Jen Raden Soerjanagara, di Soemědang ěnggeus sëpi, bedjâ aja di Limbangan, ti dinja rek loenta deui, bedjana ěnggeus jakin noe dimaksoed ka Tjiandjoer, ladjěng Dalěm nimbalan, ngalahim adi noe soeni, miwarangan měgat di geusan ngaliwat.

255. Piwarangan ěnggeus mangkat, ka leuweung Nagreg geus něpi. pondokna kalereun djalan, di sisi wahangan tjai, diatoer siligěnti, naek kana kai loehoer, nendjo ngidoel djeung ngetan, lain nendjo sapi moending, nendjo bisi Rahaden Soerja ngahwat.

256. Raden geus deulkeut ka dinja, djalma toeroen tina kai, geus bebedja ka batoerna, djalma salapan tjaringtjing, njalindoeng dina

- 199 -
[ 200 ]kai, sawareh geus matěk loeboek, sana pasang tjagak, reudjeung ngadjingdjing gegěndir, pangarahna djol ditotog lar ditjagak.
  1. Katjarita Raden Soerja ka lebah dinja geus něpi, djalma salapan katingal, koe Raden Soerja kadjoedi, nja moal naon deui geus tangtoe noe měgat oemoer, Raden tětěg manahna, ngambangkeun ka kersa Goesti, geus mapatkeun pileumpeuhan kinasihan.
  2. Djalma salapan noe měgat, tadina geus taki-taki, barang lar Raden ngallwat, taja polah taja boedi, rasa njeueung noe geulis, ngan pinoeh bae koe loetjoe, sarta pinoeh koe njaah, Raden ngalahir saeutik, koela paman něda halal rek ngaliwat.
  3. Ngawalon kapala begal, Raden Soemangga teh teuing, lar bae Raden ngaliwat, geus rada djaoeh saeutik, panakawan ngetjewis, asa geus diteunggeul poendoek, mani hese ngamběkan, ieu kesang kawas mandi, tjeuleukeuteuk Raden anoe kahatoeran.
  4. Ngagoemoedjengkeun badega, hih maneh borangan teuing, tapi sadjeroning manah, Raden teu ngabibisani, nja pantěs bae risi, ningal sakitoe saregoet, sadia pakarangna, loeboek tjagak djeung gěgěndir, lamoen toeloes amarahna matak tiwas.
  5. Raden soekoer ka Pangeran, salamět tina balai, tjatoer anoe tjatjarita, eta begal anoe tadi, tangtoena datang deui, di mana Raden geus djaoeh, pada něpakan dada, raha oerang sabar teuing. hajoe batoer oerarg oedag Raden Soerja.
  6. Oerang laporkeun tjeulina, geuning rek dibajar doeit, djeung koemaha nja ngoeninga, lamoen teu ngadjingdjing tjeuli, oerang teu wani balik, lamoen tatjan neukteuk hoeloe, rěmpoeg begal salapan. laloempat ngoedag ka pasir, tepi kana datar těgai Tiitjalengka.
  7. Begal tanagana beak, renghap randjoeg djeung boentjělik, kesang kana mata-mata. rantjoetjoet kawas noe mandi, amběkan tjara mengi, barina hitoet moeroepoet, goleah patoelajah, sanggeus aso pek pasini, rěrempoegan oendjoekan ka noe miwarang.
  8. Toenda heula noe goeněman, kebatkeun kandana deul, Raden lebah Tjiajoenan, wantjina asar geus ahir, Raden djalanna njisi, sieun tépoeng djeung noe wawoeh, lebah Parakan moentjang, kira wantji bada magrib, geus teu těgès di djalma saoerang-oerang.
  9. Toengtoeng dajeuh ti koelonna, aindang kana waroeng leutik, kersana ngeureunan palaj, sor disoegoehan tjlkopi, toeloej Raden ngalahir, bibi anoe boga waroeng, koela geus ripoeh pisan, menta ngarereb sapeuting, wangsoel anoe boga waroeng rampes pisan.
  10. Sampean anoe ti mana, lengoh teu djoengdjoeng teu djing-djing, Raden Soerja ngawalonan, bibi koela poelang ngadji, neh koetan teh santri, jatoer anoe gadoeh waroeng, koela teh kaběněran, rek niat ngabanjoe-mili, panakawan nambalang bari njakakak.
  11. Bibi koela bisa doa, paranti ngabanjoe-mili, doa boemi toelak-bala, kaoela enggeus paranti, noe, boga waroeng seuri, soekoer Ki [ 201 ]Mas lamoen kitoe, sor bae pamasangan, lalawoeh opak jeung wadjit, panakawan ngawalon mana tjongtjotna.
  12. Kadjeun henteu make opak, sok moen make angeun hiris, samběl mědok sangoe bodas, bibi toekang waroeng seurl, hih ari Aki Santri, da sědja teh ngan sakitoe, ari daek barang mah, sambel teu make tarasi, kedjo beureum lalabna ngan angeun katjang.
  13. Bari sawalehna koela, lain sidkah banjoe-mill, eta teh niat kaoela, rek njalamětkeun salaki, noe keur dipěrih pati, dipiwarang neukteuk hoeloe, koe Dalem ti Soemědang, inditna geus tiloe penting, koela risi bedjana teh eta menak.
  14. Sieun aja memalana, heug koela kamari ngimpi, salaki koela teh midang, palangsiang malik pati, bedjana aja djangdji, lamoen bisa neukteuk hoeloe, bakal tampa gandjaran, tapi sabalikaa deui, lamoen loepoet hoeloe maneh keur gantina.
  15. Ajeuna salaki koela, čnggeus meunang tiloe peuting, di leuweung Nagreg mégatna, sabab noe diarah pati, ti Soemědang geus Indit, djalanna ka wetan-kidoel, geus tangtoe ka Limbangan. koela mělang ka salaki, lebeng bae taja bedja-bedja atjan.
  16. Koe Raden enggeus kamamana, tangtoe begal anoe tadi, toeloej bae panakawan, ngadoa salamět diri, atina kětir, sck sieun begal teh djěboel, ladjeng ngarloeng dahar, sanggeus dahar toeloej amit, bibi koela rek\ ngeureujeuh deui angkat.
  17. Hajang boeroe² datang. ka lémboer knela Tileunji, bibi waroeng ngawalonan, aeh koemaha Ki Santri, agan menta sapeuting. sore keneh ge rek toeloej, aloeh taja koemaha, doakeun bae salaki, sing salamět reudjeung mawa tjeuli menak.
  18. Gantjangna Raden geus mangkat, panakawan silitjiwit. djeung batoer lah djadi naha, lamoen oerang ngeunah tiitjing, mo tila djěboel deui, palangslang toeloej riboe:, ninoer Rhaden Soerja, poegoeh bae oerang risi, lamoen datang eukeur oerang dadaharan.
  19. Tangeh lamoenna dipapaj, sadjalan-djalan ligoerlt, tjatoerkeun bae gantjangna, ka dajeuh Tjiandjoer něpi, tapi pating Jalintrik, tina taja noe didjoegdjorg. sare di lémboer Sajang, isoek² ladjeng deui, tjěpět ngidoel teu poegoeh anoe disedija.
  20. Datang ka Soeniawěnang, tiloean patinglalintrik, hidji badega hatoeran, moen rempoeg di dieu tjallk, montong rel loenta deul, da teu poegoeh noe didjoegdjoeg, ngalahir Raden Soerja, nja di dieu bae tjitjing, tapi oerang leuwih hade masisian.
  21. Reudjeung poma oelah basa, ngahormat ka diri kami, matak katjiri jen menak, těmahna lamoen katjirl, oorang mangke ditampik, moal aja anoe poeroen, koe oerang karoengroengan, pikir kami enggeus gilig, sědja toenda ngaran Soerianagara.
  22. Hade ngaran eukeur boedak, ajeuna tělahkeun deui, maneh ari njaraloekan, ki Djamoe bae ka kami, panakawah sareuri, sarta [ 202 ]ngawangsoel soemoehoen, katjatoerkeun gantjangna, manggih hidji somah tani, sarta wěkěl di lěmboer Kalapa-noenggal.
  23. Raden rawoeh badegana, geus pasinl něda tjitjing, djoeroe-tani ngawangsoelan, kaoela atoh teh teuing, tapi kaoela djangdji. koedoe toeroet oerang lemboer, daek loeloemajanan, tjara kaoela pribadi, koedoe daek njěkěl patjoel reudjeung landjam.
  24. Tapi teu aja taksiran, boektina leungeunna limit, tajoh tara kakadekan, Raden ngawangsoelan manis, koela tadina tani, nja eureun geus doea tahoen, koela diadjar dagang, ajeuna rek tani deui, poma bapa oelah hamham mamanahan.
  25. Njëkël patjoel kored parang, djeung woeloekoe koela beuki. ki djoeroe tani njakakak, moen kitoe atoh teh teuing, gantjangna geus ditampi. Rahaden měrnah di tadjoeg. katjarita lampahna. Rahaden gětol teh teuing, isoek goegah ladjeng njandak landjam.
  26. Ti peuting sok raraoetan, njieun ajakan djeung said, taja kapetolanana, ladjeng Raden pada asih, sok rea noe mahoegl, teu boetoeh koe daoen dawoeng. Raden čnggeus katělah, koe awewe koe lalaki, ki panganten nělah sa-Kalapa-noenggal.
  27. Toenda heula noe geus měrnah, noe tiitjing di djoeroe tani, malikan deui ka toekang, oerang Soemědang prihatin, tina teu meunang warti. Raden ka dieu ka ditoe, sabraina ti Limbangan, měděng pisan taja warti, pliboean piramaan mělang manah.
  28. Rahaden Soerjakoesoemah, kalangkoeng njandang prihatin, tina sadjěngkar rakana, andjeunna djadi gaganti, ganti noe dipisengit, koe Kangdjeng Dalem Toemenggoeng. maksakeun ngadeuheusan, dipapag koe sindir-sampir, sinom gentos lambang noeloejkeun tjarita.

Lambang.

  1. Toenda heula Raden Soerja, Koesoemah noe kasangsara, kakotjapkeun Raden Astra, coemetir kopi pangkatna, di Tjiandjoer nagarana, sahidji waktoe ngaronda, ka tjoetak Soeniawěnang, gok těpang djeung Raden Soerja.
  2. Noedjoe eukeur raraoetan, njieun boboko ajakan, koe Raden Astra katingal, tjahja eedjen ti noe rea, njaoer sadjeroning manah, eta djalma boa, toeroenan mangkoenagara, katara dina sorotna
  3. Raden Astra pok mariksa, ka Loerah Kalapanoenggal, ki Loerah itoe teh saha, djalma noe keur raraoetan, ki Loerah pok ngawalonan, eta asal noe ngoembara, panganten Djumoe nělahna, kalangkoeng-langkoeng gětolna.
  4. Dina manah Raden Astra, djiga² eta djalma, lain anak koeritjakan, koemaha bae pětana, sangkan bidjil raslahna, kami mah henteu përtjaja, ladjeng bae Raden Astra, njaoer noe keur raraoetan.
  5. Ki panganter geus gek slla, dipajoeneun Raden Astra, pok [ 203 ]mariksa Raden Astra, eh silah anoe ti mana, ngawangsoel noe dipariksa, djaoeh dajeuh sad kaoela, asal ti dajeuh Limbangan, wetaneun Parakanmoentjang.
  6. Henteu indoeng henteu bapa, poerwa sad koela ngoembara, istoe djalma kasangsara, njaoer deui Raden Astra, silah koela teu pěrtjaja, tjoba waktja ka kaoela, insja Allah moega², kaoela bisa noeloengan.
  7. Rahaden Soerjanagara, njaoer sadjéroning manah, hoa hade waktja, da moal djadi koemaha, rendjeung soegan bae aja, noe noeloeng ka noe sangsara, ti dinju pok deui waktja, noen soemoehoen pamariksa.
  8. Nanging moega² aja, loentoer manah pangampoera. reh tadina henteu waktja, tina banget kabingoengan, jaktosna asal sad koela, eta ti dajeuh Soemědang, ngaran poen Soerjanagara, salirana kangdjeng rama.
  9. Anoe djěněng di Soemědang, saderekna kangdjeng rama, henteu lami paman tilar, digěntosna koe noe lian, menak ti Parakanmoentjang, eta kalangkoeng njangsara, djasad koela henteu tahan, noe matak indit ngoembara.
  10. Kakara palěbah dinja. Raden Soerja njaritana, broeg ngarontok Raden Astra, lah samborong teuing asa, painan inana ngalělěkan, nantjéb rasa kira², sanadjan ngakoekeun tja jah, paman moal kapalingan.
  11. Tjallk deui Raden Astra, bari miwarang njarita, ladjeng bae Raden Soerja, ngahatoerkeun lalampahan, gěmět tuja noe kaliwat, goděg bae Raden Astra, enggeus tamat tjaritana, njaoet deui Raden Astra.
  12. Hajoe Raden ka Nagara, bareng djeung lampah poen paman, harita geus aja koeda, sadia djeung rarangkenna, Raden ngawalon soemangga, soekoer paman aja kersa, miwelas ka jasad koela, raos manis tjara goela.

POEPOEH 10.

Dangdanggoela.

  1. Noe ngaroeping awewe. lalaki, Raden eukeur njaritakeun lampah, kabeh pada bengong bae, aeh teu njana kitoe, boro oerang ngoenghak teh teuing, sawareh něpak dada, bari renghap-randjoeg. teu njana kabina-bina, ki panganten geuning bet poetra Boepati, atoeh něda hampoera.
  2. Ladjeng bae Raden Soerja amit, ka doenoengan sarta mama'apan, paman něda ma'ap bae, lampah koela noe loepoet, djoeroetani nging bae tjevrik, bari atjong-atjongan, noen Raden paraloen, andjeun teu kagoengan dosa, balik² dosa koering geus ngaliplip, moegi ageng hampoera. [ 204 ]
  3. Djoeroe tani awewe lalaki, ngaroendjoengan bari njioem dampal, ngomong bari lewa-lewe, Rahaden Astra njaoer, hajoe Raden meudjeuhna indit, ladjeng marantjal koeda, ka loear ti lămboer, noe mileuleujankeun ear, kolot boedak sarta awewe lalaki, eh Raden pileuleujan.
  4. Sasaoeran bae, siligenti, Raden Astra djeung Raden Soerin, sadjalan-djalan teu repeh, taja noe djadi bakoe, ngan lampahna njandang prihatin, balangsak kasangsara, meb ditjaboet oemoer, tangeh lamoenna dipapaj, katjatoerkeun gantjangna bae geus něpi. ka boemi Raden Astra.
  5. Raden Astra ngalahir ka Istri, njai ieu akang muwa semah, geuwat njisih masing hade, ieu teh seuseut hiroep, noe ngoenbara poetra Boepati, koe oerang poeloeng anak, moega lambat-lamboet, geureuhana Raden Astra, geus popolah teu lila enggeus tarapti. prak ngarioeng dalahar.
  6. Teu katjatoer harita ti peuting, isoek-ísoek bral ngadareuheusan, noedjoe koempoelan di djěro, hempak sila taroengkoel. barang Kangdjeng Dalém ningall, Raden Astra djeung semah. Dalem pok ngadawoeh, ki Astra eta teh saha, Raden Astra oendjoekan noen djisim abdi, ieu ngabantoen semah.
  7. Pok oendjoekan ti barang mimlti, kapěndakna ti Kalapanoenggal, dipapaj lampahna kabeh, Kangdjeng Dalem ngadawoeh, ěh ki Astra soekoer teh teuing, ieu Soerjanagara, rek diangkén doeloer, rea landjang rea randa, mana bae anos sapoek reudjeung ati, kop doa nanakeran.
  8. Sarta montong rek sieun rek risi, moal enja Boepati Soemedang, ka dieu wanieun ngodok, sanadjan itoe poeroen, kakang oge mno boeroeng wani, Kaden Soerjanagara, ngawalon soemoehoen, saekoela njanggakeun raga, kabeh-kabeh rek dihideung rek dipoetih, ngainbangkeun ka gamparan.
  9. Kangdjèng Dalem langkoeng-langkoeng asih, geus maparin arta keur balandja, sarta loengsoeran panganggo, koe menak anom sepoeh, diarakoe sarta diasih, tatapl Raden Soerja, di dajeuh teu matoeh, matoeh di lemboer Tjiadjag, di pasantren matoch ngadji di Kiai, doea pai ti nagara.
  10. Raden heuleut doea tiloe wengi, ti Tjiadjag marek ka Nagara, Dalem woewoeh asih bae, ladjeng Dalem mirěmpoeg, ka pangampih paměgět istri, manggihkeun Raden Soerja, djadina pirěmpoeg, kasaderek Dalem misan, hade rèpok kakasihna eta istri, Raden Lenggangnagara.

POEPOEH 11.

Asmarandana.

  1. Kangdjèng Dalēm Adipati, geus kagoengan poetra opat, ari [ 205 ]
    hidji-hidjina teh, Rahaden Meumeut tjikalna, poetra anoe kadoea Arja Tjikalong kamashoer, menak běngis barangasan.

308. Tara paja koe saeutik, harakna djeung teu kaopan, poetra noe katiloena teh, Dalěm Hadji katělahna, Anom Abas kaopat, eta poetrana sakitoe, di Tjiandjoer mangsa harita.

309. Ari noe djadi papatih, poetra Dalěm Paněnggakan, nja eta Arja Tjikalong, katjatoerkeun lawas-lawas, Arja Tjikalong kotjap, sangět manahna ngoeloewoet, enggalna njanggakeun sěrat.

310. Ka Kandjěng Dalem Sipati, oengěl sěrat pěrmoehoenan, andjeunna njoehoenkeun liren, tina kapatihanana, toer sangět panoehoenna, dina sěrat kapioendjoek, taja tjipta dina manah.

311. Noeloejkeun djadi papatih, sarěng ngatoerkeun pěrtjaja, teu karěp koemawoela teh, ngawoelakeun hěntěu sědja, sok lamoen kaidinan, ka tjoetak Tjikalong woengkoel, eta kitoe pioendjoekna.

312. Dawoehan Dalěm Dipati, lamoen kitoe hade pisan. ngan oelah kapalang sěntor, koedoe njieun tandatangan, jen taja pangharěpan, njangking gawe di Tjiandjoer, Arja Tjikalong harita.

313. Teu aja antara deui, pek ngadaměl tandatangan, ladjěng disanggakeun bae, Dalěm Wirata noe datar, toeloej ngadaměl sěrat, ka Gouvernement panoehoen, Arja Tjikalong mareman.

314. Walonanana teu lami, geus dongkap poetoesanna, jen Patih Tjiandoer liren, tina padamělanana, tatapi Raden Arja, istoe kadjoeroeng koe napsoe, kabawa koe amarahna.

315. Rea kapoesing kaidjid, teu pěgat papaseaan, reudjeung kantja njangking gawe, tina adat hěnteu loembrah, běngis djeung barangasan, napsoena anoe diladjoer, amarah noe diangonan.

316. Anoe ngagëntos Papatih, koe Dalěm ěnggeus diangkat, djadi kaparĕnah alo, poetra den Tandjoengnagara. menak lantip boediman, djĕnĕnganana disĕboet, Rahaden Wiradirědja.

317. Katjatoerkeu lami-lami Dalěm Wiratanoedatar, teu damang teu woedoe abot, sarta geus njamarkeun pisan, ngaraos salirana, samar toeloes meunang tahoen, samar bisa meunang boelan.

318. Tidinja Dalěm Dipati, enggal meunang pariksaan, ti noe agoeng Gouvernement, jen lamoen dongkap ka wafat, saha baris pěrtjaja, njěkěl kaprabon Tjiandjoer, Kandjěng Dalěm ngawalonan.

319. Lahirna teu aja deui, anoe pěrtjaja pěrjoga, hidji Kandjěng Dalëm Bogor, kadoea alo kaoela, Papatih noe ajeuna, gantjangna noe mangoen tjatoer, Kangdjěng Dalěm ngawalonan.

320. Koemaha tali paranti, tataning Boepati hilang, teu dipandjangkeun tjarios, dipěnděm di padjaratan, kabeh pisaderekan, garwa2 poetra ngangloeh, sarědih katilar rama.

321. Toedjoeh dintěn hěnteu lami, Raden Aria Wasita, djeung Raden Moehamad Hoesen, Panghoeloe Tjiandjoer harita, Raden Djajanagara, Dalěm Hadji hěnteu kantoen, sami pada ngadeuheusan.

322. Ngadeuheus ka Soekataris, harita Soekatarisna, katělah toean

- 205 -
[ 206 ]
Perisen, ladjěng sami rěrěmpoegan, keur pigěntoseunana, njandak kaprabon Tjiandjoer, noeloejkeun ka Boepatian.

323. Noe barěmpag ěnggeus gillg, moepakat bae limaan nja eta noe pěrjoga tehm Den Patih Wiradirědja, sěpoeh2 sadaja, sami pada djaloemoeroeng, eta noe baris pěrtjaja.

324. Sěgoet moen djadi Boepati, oetama ngadjadi menak, legeg pantěs djadi Regen, katjatoerkeun djalma lima, ngadamël hidji sěray, oengěl Běrat panoenoehoen, ka Goepěrmen pěrmoehoenan.

325. Soepaja Rahaden Patih, njandak parabon nagara, ngagěntos djadi Boepatos, hěnteu lami antaranan, dongkap sěrat poetoesan, jen Boepati di Tjiandjoer, Papatih Wiradirědja.

326. Mangsa harita Boepati, pangkatna Toeměnggoeng heula, waktoe eta Patihna teh, nělah Raden Natadigdja, teu katjatoer lawasna, antara geus tiloe tahoen, Kandjěng Dalěm meunang pangkat.

327. Dipangkatkeun Adipati, sarta diwoewoeh djěněngan, nja eta kakasihna teh, Dipati Wiradirědja, harita Residenana, toean Makuit anoe mashoer, sabar adil palamarta.

328. Geus aja antara lami, toean Resident mariksa, hal sambětan Dalěm Enoch, aja sabraha reana, pek ladjěng diteangan, beh kapanggih dina boekoe, aja sakěti roepia.

329. Tapi aja noe geus Iami, doea poeloeh tahoen aja , dawoehan toean Rěsident, koe Dalěm koedoe dibajar, ngan koedoe dipilihan, noe tjan doea poeloeh tahoen, eta koedoe ditaoeran.

330. Ladjěng koe Dalěm Dipati, dietang eta sambětan, dipilih noe anjar keneh, doea poeloeh reboe pasmat, enggal dibajar contant, ngan Dalěm aja pioendjoek, ka Rěsiden pěrmoehoenan.

331. Roepaning kaprabon nagri, parabot doenja barana, kagoengan Dalěm soemeren, disoehoenkeun koe kaoela, tětěp milik kaoela, hěnteu dipandjangkeun tjatoer, koe Resident kaidinan.

332. Di Tjiandjoer woewoeh rasmi, taja kakoeranganana, lampah Dalěm katjarios, teu pěgat kana ibadah, kongas Dalěm alimna, ilmoe oesoel ilmoe naahoe,diotjek salalamina.

333. Didjaring koe para alim, dihalormat koe oelama, diobeng koe para lěbě, Dalěm djadi panarosan, kotjap mangsa harita, di Tjiandjoer woewoeh mahmoer, taja kakoeranganana.

334. Anoe tani djadi moekti, anoe dagang djadi beunghar. kana gawe teu tjampoleh, ngawoela teu ngarasoela, ka goestina barela, ngadeuheus ngajadi pěrloe, kěmit bisi aja bahla.

335. Katjarios Iami2, Dalěm geus kagoengan poetra, djoemblahna poetra Dalěm teh, ti sělir djeung ti pawarang, kaetang rea pisan, djoemblah tiloe poeloeh toedjoeh, tjatoerkeun hidji-hidjina.

336. Paměgět anoe kahidji, tapi teu pandjang joeswana, poepoes moerangkalih keneh, tatjan katiban djěněngan, poetrana noe kadoea, ěnja eta noe disěboet, Nji Raden Tandjoeng nagara. [ 207 ]337. Katiloe paměget deui, nělah Radeh Natarědja, poetra anoe kaopat teh, paměgět teu panjang joeswa, tatjan didjěněngan. Poetra kalima ditjatoer, Rahaden Wiranagara.

338. Awisan djadi Boepati, ngěrěh Tjiandjoer nagara, poetra noe ka gěněpna teh, djěněnganana Den Hasan, poetra nooe katoedjoehna, Agan Hanapi disěboet, Rahaden Wiradirědja.

339. Dalapan pamĕgĕt deui, Raden Sjapii nĕlahna, sanggeus birahi digĕntos, Raden Soeriabarata, poetra kasalapanna, nja anoe katjatoer, Raden Soeriakoesoemah.

340. Anoe ka sapoeloeh istri, Sjahribanon katĕlahna, poetra kasawĕlasna teh, Raden Soerianagara, poetra kadoeabĕlas, kakasihna rama iboe. Den Aripin katĕlahna.

341. Raden Soeria Aripin, eta doeanana kĕmbar, noe katiloewĕlasna teh, Raden Saleh disĕboetna, poetra kaopatwĕlas, Raden Sadikin katjatoer, ari kalimawĕlasna.

342. Djĕnĕngan Rahaden Habib, Koesoemah Adinagara, noe ka gĕnĕpwelasna teh, istri Nji Raden Atidjah, poetra katoedjoehwĕlas djĕnĕnganana geus mantoek, Nji Raden Siti Soeraja.

343. Kadalapanwĕlas istri, Njai Raden Siti Zenab. Kasalapanwĕlasna teh, Raden Prawirawidjaja, Agan Oetji boerĕjna, poetra noe kadoea poeloeh, Nji Raden Gĕdong nĕlahna.

344. Noe kadoea poeloeh hidji, Rahaden Adinagara, doealikoer katjarios, Raden Ramli keur boerĕjna, ageungna Raden Tisna, poetra noe katiloelikoer, kakasihna Raden Anwar.

345. Patlikoer pamĕgĕt deui, keur boerĕjna Raden Adam. geus lami2 digĕntos, Rahaden Tjakranagara, kadoeapoeloeh-lima Raden Bakrl anoe mashoer, Tisnadjoemĕna gëntosna.

346. Poetrana pamĕgĕt deui, anoe Kagĕnĕplikoerna. Raden Wahab nĕlahna teh, Rahaden Djajasoedibdja, noe katoedjoeh likoerna, istri djĕnĕngan kasĕboet, Nji Raden Siti Arpijah.

347. Kadalapanlikoer istri, Njai Rahaden Sapijah, sangalikoer katjarios, katĕlah na Raden Roeslan, djĕdjëg tiloe-poeloehna pamĕgĕt enggalna poepoes, Raden Maliki nĕlahna.

348. Noe katiloepoeloeh hidji, Rahaden Abdullah Siradj, tiloepoeloeh-doeana teh, Rahaden Partadjoemĕna. Raden Oedin boerĕjna, noe katiloepoeloeh-tiloe, istri nĕlah Raden Sinta.

349. Pamĕgĕt Rahaden Sogir, noe katiloepoeloeh-opat, tiloepoeloeh-limana teh, istri Nji Raden Djohara, tiloepoeioeh-gĕnĕpna. djĕnĕnganana ditjatoer, Raden Koerdi katĕlahna.

350. Istri Nji Raden Ratnadi. katiloepoeloeh-toedjoehna. sakitoe poetra Dalĕm teh, ti sĕlir djeung ti pawarang, teu ditjatoer iboena, harita dajeuh Tjiandjoer, rea pramenak nonoman.

- 207 -
[ 208 ]

POEPOEH 12.

Sinom.

351. Katjarios lawas2, kandjĕng Dalĕm Adipati, ĕnggeus lami djoemĕnĕngna, di Tjandjoer djadi Boepati, dongkap manah prihatin, tina ngaraos geus sĕpoeh, rek njirnakeun salira, noeloejkeun moedji ngabakti, koemawoela ka Goesti Noe Maha Moelja.

352. Gantjangna njanggakeun sĕrat, ka Goepĕrmen nĕda idin, njoehoenkeun liren harita, tina pangkatna Boepati, reudjeung njanggakeun deui, pigĕntoseunana tangtoe, poetra noe nomĕr opat, djĕnĕngan keur moerangkalih, di Sadjarah Aom kantjra katĕlahna.

353. Rahaden Wiranaga, djĕnĕngan ënggeus birahi, teu lami dongkap poetoesan, Goepĕrmen maparin idin, liren tina Boepati. toer djeung kahormatan estoe, sarta djeung bisloeitna, keur poetra anoe ngaganti, noe djĕnĕngan Rahaden Wiranagara.

354. Toemĕnggoeng eta pangkatna, ngagĕntos djadi Boepati. Dalĕm sĕpoeh katjarita, sanggeus liren ladjëng ngallh, ngadamĕl hidji boemi, kaler-koelon aloen-aloen, kaoem kaler nĕlahna, paeunteung-eunteung djeung masdjid, sanggeus ngalih Dalĕm toetoeg ngagantina.

355. Beurang-peuting hĕnteu pĕgat, moedji ka Raboel-Alamin, ka masigit bĕrdjamaäh. saban waktoe Dalĕm soemping, sarta ngaos di masdjid, oenggal Sĕnen Kĕmis tangtoe, hĕnteu kintĕn ragabna, rea menak noe njalantri, eta kongas Dalĕm Kaoem disĕboetna.

356. Dalĕm anom katjarita, djĕnĕngna teu pati lami, dilirenkeun koe kang rama, papasten kĕrsa Jang Widi, adjal moebaram pasti, di lohmahpoed ĕnggeus tangtoe, hĕnteu lami djĕnĕngna, dangĕt eta hidjrah Nabi, sewoe doea ratoes lima poeloeh warsa.

357. Kangdjĕng Dalĕm enggal, ka Goepĕrmen rĕkes deui, njanggakeun sahidji sĕrat, njoehoenkeun noe djadi ganti, nja eta Raden Patih, Dalĕm Toemĕnggoeng, noe tadi liren tea, antarana hĕnteu lami, enggal dongkap poetoesan djeung bisloeitna.

358. Jen Aom Hasan diangkat, djoemmĕnĕng djadi Boepati, Toe­mĕnggoeng Koesoemahnlngrat, pangkat dalapan Boepati. ajeuna kotjap deui, njaeta Dalĕm Toemĕnggoeng, sanggeusna maren tea, antara hĕnteu lami, amoeng doea tahoen ladjĕng bae wapat.

359. Katjatoerkeun Dalĕm Arja, Koesoemahnlngrat Boepati, gantjangna geus dinoergaha, kenging pangkat Adipati, sarta reudjeung bisloeit, ti Gouvernement noe Agoeng, digĕntos kakasihna. sanggeus pangkat Adipati, Adipati Aria Koesoemahnlngrat.


[ Gb6 ]

Raden MOEHAMAD ISA,
Hoofdpanghoeloe Serang.

[ 209 ]

38. BABAD SOEMEDANG.

SINOM.

  1. Ieu tjarita dikarang, dianggit didjieun dangding, tjarlia tanah Soemědang, djaman baheula bihari, tapi estoe sapěrti, toetoer anoe tanpa dapoer, ngan noeroet tjaritana, kolot² noe bihari, anoe asli bibit-boeitna Soemědang.
  2. Toeroen manoeroen tjarita, anoe népi ka kiwari, ineh saroepa tjaritana, kolot² menak koering, noe djadi bibit boeit, kasěboet nagara Galoeh, ganti koe Padjadjaran, SANGA PRABOE SILIH WANGI, noe kasěboet měntjarkeun satanah-Djawa.
  3. Ratoe², Soenan², noe djadi pangagoeng nagri, sěsěboetan noe baheula, tjara ajeuna boepati, ngaran pangagoeng nagri, ratoe atawana praboe, ajeuna noe kakotjap, tědak PRABOE SILIWANGI, tina watěs SANGA PRABOE LINGGAHIJANG.
  4. Djadi Ratoe di Soemědang, bibit tědak SILIWANGI, dikěbatkeun tjaritana, djadina ratoe diganti, koe poetra noe kakasih, SANGA PRABOE LINGGAWASTOE, gantjangna katjarita, poetrana ngan hidji istri, djeung panoengtoeng Ratue noe agama Boeda.
  5. Kota Soemědang harita, kidoeleun Goenoeng Katjapi, diseboetna Koetamaja, sakalereun Palasari, njanding waloengan tjai, sisina beulah ti kidoel, lahanna lempar pisan, awas ningal sakoeriling, ngan tiloe pal ti kota anoe ajeuna.
  6. Sisi waloengan Tjisoegan, něpi ka djaman kiwari, nělah lěmboer Koetamaja, aja anoe djadi boekti, tanda jen oeroet nagri, aja taneuh rada loehoer, ngěmbat saroepa koeta, djiga pasir ngan pasagi, ajeuna mah geus diroembak djadi sawah.
  7. Ajeuna ganti tjarita, ratoe di noe sedjen nagri, di Tjirehon nagarana, KANGDJENG SOENAN GOENOENG DJATI, kasěboet RATOE WALI, tědak Kangdjěng NABI RASOEL, harita teh sadjaman, pada mangkoe ngěreh hagri, di Tjirebon sareng di nagri Soemědang.
  8. Eta ratoe anoe doea, mimitrana goelět dalit, tatapi misah agama, Boeda djeung agama Moeslim, SINOEHOEN GOENOENG DJATI, teu pisan karsa ngaganggoe, maksa ngasoepkeun Islam, tapi tětěp silihasih, katjatoerkeun lila-lila bebesanan. [ 210 ]
  9. Poetrana Ratoe Soemědang, nja eta ngan hidji istri, ditikahkeun ka poetoena, KANGDJENG SOENAN GOENOENG DJATI. MAOLANA MAGRIBI, atawa noe sok disěboet, PANGRAN PAMALEKARAN, saestoena koedoe sarif, nja eta teh poetra PANGERAN PANDJOENAN.
  10. Ari PANGERAN PANDJOENAN, poetra SOENAN GOENOENG DJATI, enggalna kagoengan poetra, paměgět kasep djeung sigit, siga geus mawa tjiri, di achir djadi Pangagoeng, kotjap Ratoe Soemědang, kalangkoeng nja soeka galih, reh kagoengan poetra paměgět oetama.
  11. Enggal ladjěng ngadeuheusan, ka SINOEHOEN GOENOENG DJATI, pihatoer Ratoe Soemědang, ka SINOEHOEN GOENOENG DJATI, djeung bari mělas-mělis, simkoering agoeng panoehoen, eta poen intjoe tea, manawi paidin Goesti, disochoenkeun rek diingoe di Soemědang.
  12. Reh teu gadoeh deui anak, djabi awewe moeng hidji, koe SINOEHOEN geus kamanah, pidjadieun awal-achir, wantoening bangsa WALI, walonanana SINOEHOEN, taja pisan halangan wantoening saroe: wadjih, tapi eta bnedak hapana teli Islam.
  13. Agama noeroet ka bapa, moedoe djadi Islam deui, pihatoer Ratoe Soemědang, koe sim koering geus kapikir, sinarěng djisim koering, noeroetkeun riwajat sěpoeh, pitoetoer noe baheula, disěboetkeun djisim koering panoengtoengan djadi Ratoe di Soemědang.
  14. Noe ngagěm agania Boeda, mangke geus tangloe diganti, nja eta koe intjoe tea, eta teh anoe mimití, ganti njěmbah Jang Widi. koe agama NABI RASOEL, sarěng tědak toemědak, doegi kana djaman achir, sirna Boeda kaganti agama Islam.
  15. Kěbatkeun leu tjarita, PRABOE LINGGAWASTOE tadi, lambat lamboet djoeměněngna, acbirna mangke diganti, koc poetra anoe tadi, anne kaseboet di loehoer, ngěreh nagri Soemědang, Ratoe agama Moeslimin, awit ngěreh eusi nagri bangsa Boeda.
  16. Tatapina lila², sareh Ratoena Moeslimin, pangeusi nagri Soemědang, anoet djaradi Moeslimin, teu katjatoerkeun deui, sababna pada aranoet, pantěs noeroet riwajat, noe katjaritakeun tadi, saeusining Soemědang geus mandjing Islam.
  17. Sanggeus lila djoeměněngna, Ratoe Soemědang Moeslimin, ajeuna ganti noe kottan radja geus bangsa Moeslimin. tědakna [ 211 ]
    Madjapait, djěněnganana Sinoehoen, ngaraton di Mataram, PANEMBAHAN SENAPATI, HINGALAGA MANGKOERAT MANGKOEBOEANA.
  1. Noe ngěreh satanah Djawa, kabeh djaradi Moeslimin, ngan kari tanah Pasoendan, ratoena ngěreh pribadi, di hidji², nagri gantjangna noe mangoen tjatoer, saantero Pasoendan, digoeloengkeun djadi hidjl, kabeh soedjoed ka SINQEHOEN di Mataram.
  2. Hanteu katjatoer waktoena. PANEMBAHAN SENAPATI, ngěrehna tanah Pasoendan, margana na kitoe deui, naha kalawan djoerit, hartina prang ngadoe poepoeh, antero tanah Djawa, soemoedjoed ka SENAPATI, gantjargna mah geus kawěngkoe koe Mataram.
  3. Sanggeus kabawah Mataram, noe pangkat ratoe satadi, kabeh diganti ngaranna, koedoe diseboet Bopati, saban-saban Bopati kabeh digandjar djoedjoeloek, Bopati di Soemědang, djaman harita mimiti, djoedjoeloekna PANGRAN KOESOEMADINATA.
  4. Těroes toeroen toemoeroenna sakoer noe djadi boepati, nja kitoe djěněngannana, tapi adat eusi nagri, loembrahna sok digati, lamoen bopati geus poepoes, reh sami djěněnganna, djeung mungke anoe ngaganti, ieu oge PANGRAN KOESOEMADINATA.
  5. Dina saěnggeus wapatna, disěbort PANGERAN SANTRI. nělah něpi ka ajeuna, sabab ngawitan Mueslimin, dalah djanan kiwari, lamoen régenna geus poepoes, salin disarěboetna, lain keur djoeměněng tadi, karenan disehoei ngaran makamna.

ASMARANDANA.

  1. Sasoeroed PANGERAN SANTRI, toeloej diganti koe poeira, těroes djěněnganana teh, PANGERAN KOESOEMADINATA, tapi disarěboetna, KANGDJENG PANGRAN GEUSAN OELOEN. rea pisan tjaritana.
  2. Sanggeus djoeměněng Bopati, Ceusan Oeloen eh garwzan, noe kasěboet wargi oge, estoena oerang Soemědang. ngan tedak Padjadjaran, nami NJIMAS GEDENG WAROE, poetri noe ahli tatapa.
  3. Anoe disarěboet WALI, SOENAN PADA diseboetna, dina djaman harita teh, mashoer gěde karamatna, tjara di tanah Djawa, rea oelama noe mashoer, noe saroepa SOENAN PADA. [ 212 ]26. Lakoe noe djadi bopati, sanggeus kabawah Mataram, saban tahoen koedoe tjaos, ngadeuheusan ka Mataram, geus djadi kawadjiban, lalakon sakitoe djaoeh, komo soesah pĕrdjalanan.

27. Tatapi teu dipalikir, wantoe kawadjiban tea, dina saban tahoen tjaos diiring koe wadya balad, mawa gagaman pĕrang, reana nĕpi ka ratoes, koemaha gêde nagrina.

28. Oepatjara djeung pangiring, anoe marawa ampilan, noe disĕboet kaparabon. GEUSAN OELOEN Katjarita, kagoengan kapĕtĕngan, pamanggoel ki SAJANGHAWOE, kadoeana ki NANGGANAN.

29. Anoe katiloena deui disĕboet ki KONDANGHAPA, noe kaopat TERONGPEOT, eta opat kapĕtĕngan, moenggoeh ajeuna oepas, beurang peuting tara djaoeh, sakarengkak ditjatjandak.

30. Ngan SAJANGHAWOE pribadi, ngarana DJAJAPERKOSA, ari batoerna noe sedjen hanteu disĕboet ngaranna, tapi geus tangtoe aja, tatapi hĕnteu katjatoer, jen aja deui ngaranna.

31. Aja noe kotjap deui, KANDJENG PANGRAN GIRILAJA, Bopatina di Tjirĕbon, kapĕrnah saderek misan, rehna toenggal tĕtĕdak, djeung PANGERAN GEUSAN OELOEN, loma wantoe saderekna.

32. Pada tĕdak Goenoengdjati, ari PANGERAN GIRILAJA, geus lamo djomĕnĕngna teh, malah ka asih koe SOENAN, datang ka geus digandjar, koe poetri anoe disĕboet, RATOE EMAS HARIS BAJA.

33. Eta estoe bangsa poetri PANGRAN KATAROENGAN, KANGDJENG SOENAN teh saderek, ka PANGERAN KATAROENGAN, tangtoe ěnggeus kamanah, reh tědak KANDJENG SINOEHOEN, GOENOENG DJATI WALIJOELLAH.

34. Malah rai Raden Poetri, Raden EMAS PANTJAWARA, geus noemoetkeun ka Tjirebon, ngabelaan ka rakana, ajeuna katjarita, Kangdjěng PANGRAN GEUSAN OELOEN, geus soegěma djoemeněngna.

35. Di Soemědang ngěreh nagri, ajeuna noe katjarita, ngawitan kagoengan raos, djoedjoer ngolahna agama, wantoe tědak oelama, soeka madjěng ngolah elmoe, sědja ginahoe ka Děmak.

- 212 -
[ 213 ]36. Reh kasěboet aja WALI, djadi Pagoeron tarekat, GEUSAN OELOEN ladjěng dae, djěngkar ka negara Děmak, di těngah perdjalanan, doemadak gok bue těpoeng, djeung PANGERAN GIRILAJA.

37. Langkoeng sami soeka galih, teu kemanah ti tadina, baris těpoeng djeung saderek, GIRILAJA teh mariksa, rai bade ka mara, pihatoerna GEUSAN OELOEN, sědja djiarah ka Děmak.

38. Sadalah raka pribadi, anjeuna moelang ti Děmak, nja kitoe noe dimaksoed teh, něpangan pagoeran tea, estoe oetama pisan, baris ngahoesoeskeun elmoe, karaos soegěma pisan.

39. Samboeng pamoedji ka rai, sakěrsa moedji laksana, sareng wěwěkas kakang teh, samoelih rai ti Děmak, moegi sindang ku kakang, di Tjirěbon oerang ngoempoel, sarěng kadang koelawarga.

40. Enggeus maksoed ti tatadi, GISUSAN OBLOEN pangwalonna, rek doemeuheus ka Tjirěbon, ajeuna aja timbalan, kěbatkeun tjaritana, GIRILAJA, GEUSAN OELOEN, ladjéěng pisah sewang-sewang.

41. GIRILAJA ladjěng moělih, GEUSAN OELOEN troes ka Děmak, kotjapkeun enggalna bae. GEUSAN OELOEN di Děmakna, teu pandjang tjaritana, ginahoena enggeus tjoekoep, sakarsana geus laksana.

42. GEUSAN OELOEN těroes moelih, teu katjatoer di djalanan, ěnggeus soemping ka Tjirěbon, dipapag koe GIRILAJA, dina gokas patěpang, doeanana sami moendjoeng, djeung dihatoeranan lěnggaa.

43. Geus lami pada tjaralik, kalangkoeng soeka manahna, pitěpang pada saderek, dasar beunang djadjangdjian, PANGERAN GIRILAJA, ladjěng ngagěntraan witeer, Raji RATOE HARISBAJA

44. Enggaina teh geus djol soemping, RATOE EMAS HARISBAJA, pilahirna rakana teh ieu doeloer oerang datang, Bopati ti Soemědang, manehna kakara těpoeng, ieu teh saderek misan.

45. Toenggal tědak Goenoengdjati, maneh oelah asa², nja ngabadja-karama teh, reh oerang tjarang patěpang, RATOE MAS HARISBAJA, toengkoel djeung pasěman imoet, sanggeus pada silihtingal.

46. Bangět kapintjoet nja galih, ti barěng gok ge patěpang, kakara [ 214 ]ningal noe kasep, sarta mantjoer tjahajana, RATOE MAS HARISBAJA, bangět pisan ngaliliboer, oelah katawis kagiwang.

47. Geus sami regreg tjaralik, adat pangbodja-kramana, ti dinja GEUSAN OELOEN teh, dipěrěnahkeun koelěmna, koe PANGRAN GIRILAJA, dikoelěmkeun dina tadjoeg, anoe parěk ka boemina.

48. PANGRAN GIRILAJA tadi, sangět ngolah agamana, sabawah nagri Tjirěbon, ragěm ngolahna agama, panganggo GIRILAJA, sok minděng njaoeran koempoel, kiai para oelama.

49. Ngahoesoeskeu: elmoe dahkik, di waktoe djaman_harita, loeloegoena di Tjirěbon, noe ragěm ngolah agama, reh loba oerang arab, ajeuna gantjang katjatoer, saoer PANGRAN GIRILAJA.

50. Ka sadaja para alim, soepaja sakabeh těrang, kaoela keur boengah hate, ěnggeus tangtoe karoedjoekan, jen kaoeta ajeuna, ieu kasemahan doeloer. Bopatina ti Soemědang.

KINANTI.

51. Ti dinja pada maroendjoeng, para alim silihgěnti, GEUSAN OELOEN soeka manah, ningal ngoempoel para alim, koe PANGRAN GIRILAJA, ditoendjoekkeun hidji².

62. Anoe anom anoe sěpoeh, djěněnganana pra alim, GEUSAN OELOEN soeka manah, ladjěng ngungkěn para alim, pilahirna ka sadaja, noehoen djeung andoem pamoediji.

63. Rame sami oendjoek noehoen, pihatoerna para alim, djeung teu pěgat malěntjrongna, aromongna para alim, ieu Boepati Soemědang, estoe djalma loehoeng singgih.

54. Eukeur mah Pangagoeng loehoer, nja kasep nja hade boedi, lain djalma samanea, pantěs karamatna leuwih, saoer PANGRAN GIRILAJA, pamenta nkang Ka adi.

53. Montong waka goera-giroe, nja karsa moelih ka boemi, di dieu ngeureunan pataj, moelih angkat ti noe těbih, ti diew Ka nagri Děmak, lalakon wělasan peuting.

56. Pihatoerna GEUSAN OELOEN, sadaja-daja kairing, kotjap RATOE HARISBAJA, saban poě saban peuting, tambah-tambah kagiwangna, meh teu bisa měngkěk galih. [ 215 ]57. Tampolana hajang gaproek, ngĕrĕwĕs moeaskeun ati, sakoeat-koeat ditahan, katjarita hidji peuting, GEUSAN OELOEN ĕnggeus tibra, koelĕmna di masdjid tadi.

58. Pamadjikan noe katjatoer, GIRILAJA djeung Nji Poetri, tapi noe tibra koelĕmna, ngan GIRILAJA pribadi, ari RATOE HARISBAJA, njileuk teu pĕgat kaeling.

59. Geus teu tahan nahan napsoe, toeloej goegaah tĕroes indit, ninggalkeun raka noe tibra, ka loear ti djĕro boemi, bari angkat rerepehan, ngadjoegdjoeg golodog masdjid.

60. Pangkoelĕman GEUSAN OELOEN, pantona noetoep dikontiji, toeloej bae dikĕtrokan, soegan aja anoe njaring, dina hantĕm dikĕtrokan, Ki SAJANGHAWOE ngalilir.

61. Katjatoerkeun SAJANGHAWOE, hoedang toeloej moeka kontji, diboeka toeloej ka loear, digolodog geus papanggih, reudjeung RATOE HARISBAJA, pihatoerna mangga Goesti.

62. Ti dinja toeloej arasoep, GEUSAN OELOEN geus ngalilir, toeloej goegah gok patĕpang, hĕnteu antaparah deui, GEUSAN OELOBN HARISBAJA, silirangkoel djadi hidji.

63. Saroepa poejoeh keur taroeng, doeanana pada nangis, bawaning kaliwat soeka, manahna pamĕgĕt istri, teu njana gantjang laksana, beunang mikir beurang-peuting.

64. Katjatoer Ki SAJANGHAWOE, katjida atina kĕtir, hookeun ningal Goestina, pikirna teh bangĕt watir. Ki SAJANGHAWOE oendjoekan, adoeh deudeuh teuing Goesti.

65. Tanpa goena sĕdih kalboe, ajeuna pihatoer abdi, langkoeng sae oerang djĕngkar, oerang moelih sapeupeuting, montong rek soemĕlang manah, djamakna tanda laleki.

66. Deneng aja anoe njoesoel, montong rek soemĕlang galih, abdi ĕnggeus iklas pisan, pĕtjah dada moentjrat gĕtih, koe GEUSAN OELOEN kamanah, ladjĕng njaoer ka Nji Poetri.

67. Koe eulis tangtoe kadangoe, biee sapihatoer Aki, moen estoe sapoek djeung manah, hajoe atoeh oerang indit, pihatoerna HARIS- BAJA, soemĕrah raga djeung pati. [ 216 ]68. Kadjeun lěboer boeboek adjoer, lamoen katampi koe Goesti, kěbatna ieu tjarita, ka loear ti djěro masdjid, pada angkat rerepehan, dina wantji těngah peuting.

69. Katjatoerkeun SAJANGHAWOE, bari ngagandong Nji Poetri, ari gandek noe tiloean, di poengkoereunana ngiring, kěbat ka loear ti kota, GEUSAN OELOEN djeung Nji Poetri.

70. Ajeuna anoe katjatoer, GIRILAJA djěro boemi, barěng ngalilir koelěmna, ngarampa rai Nji Poetri, teu aja gedengeunana, GIRILAJA heměng galih.

71. Ladjěng GIRILAJA njaoer, saoerna ka mana eulis, naha mana waka hoedang, kapan ieu masih peuting, lila digěntraanana, ladjěng njaoer eusi boemi.

72. Geus daratang noe disaoer, dawoehan mana Nji Poetri, kěbat anoe dipariksa, reh pada kakara njaring, koe GIRILAJA kamanah, garwana tangtoe ngaleungit.

73. Ti dinja toeloej pahiboet, goedjroed djalma pada njaring, goedjroed batan kahoeroean, karaget leungiteun poetri, patingsalěbroeng dipapaj, nadjan masih poěk peuting.

74. Gantjangna něpi ka isoek, saoerang taja noe tjitjing, něpi ka braj beurang pisan, tatjan aja anoe mikir, jen Poetri dibawa minggat, kabeh deudeupeun teu harti.

75. Beuki tambah tingsalěbroeng, katambah balad pradjoerit, pada sadia dangdanan, sabab geus pada kapikir, moal salah teu karoehan, Nji Poetri tangtoe dipaling.

76. Komo noe asoep ka tadjoeg, geus toeloej bae kapikir, jen semahna geus teu ajn, mo gagal eta noe maling, koe semah oerang Soemědang, tangtoe moal saha deui,

PANGKOER.

77. Saoer PANGRAN GIRILAJA, ka sakabeh wadja balad pradjoerit, koe maraneh koedoe soesoel, semah oerang Soemědang, moen kasoesoel eta teh si GEUSAN OELOEN, manoesa koerang tarima, ka ngaran pangkat Boepati.

78. Gantjangna noe diparentah, kapětěngan djeung sakoer prapěrdjoerit, tingsalěbroeng ngoelun ngidoel, reh aja doea djalan, [ 217 ]saharita ka koelon reudjeung ka kidoel, ti Tjirěbon ka Soemědang, toer djalanna kabeh roempil.

79. Katjatoerkeun anoe minggat, ka Soemědang, GEUSAN OELOEN djeung Poetri, djongdjon lakoena geus djaoen, ninggang wates Soemědang, katjatoerkeun awasna Ki SAJANGHAWOE, manehna ningal ka toekang, rasana geus rek katěpi.

80. Noe njaroesoel pirang², SAJANGHAWOE taja pisan kagimir, mihatoer ka GEUSAN OELOEN, Goesti soemangga tingal, itoe djalma pirang² tangtoe njoesoel, tapi montong sěber manah, lamoen masih hiroep abdi.

81. Anggoer ladjěng kehat angkat, palaj oge kaleng rai Nji Poetri, abdi mah di dieu kantoen, bade ngadago Djawa, noe njaroesoel nadjan poeloen nadjan ratoes, teu gimir boeoek salambar, geus tega nja laboeh pati.

82. KI SAJANGHAWOE opatan, djeung batera jaringtjing taki-taki, katjatoerkeun noe njaroesoel, geus djol pada daratang, noe njaroesoel patěpoeng djeung SAJANGHAWOE, henter pandjang silitanja, geus proek bae taroeng djoerit.

83. Saroepa banteng bajangan, SAJANGHAWOE djeung opat batoer tadi, galak ngamoekna ka moesoeh, oenggoel pisan djajana, tingdjaloprak moesoehna anoe raroeboeh, tingdjalopralk patoelajah, SAJANGHAWOE mandi gětih.

84. Kakepretan koe moesoehna, tina goelět ngadoe pědang djeung kěris, SAJANGHAWOE kotjak wědoek, teu teurak koe pakarang, noe njaroesoel sakarina noe raroeboeh, pada maboer laloempatan, taja noe kari sahidji.

85. KI SAJANGHAWOE opatan, djeung batoerna di dinja tagěn tjitjing, reh moesoehna kabeh maboer, ajeuna katjarita noe keur angkat Nji Poetri djeung GEUSAN OELOEN, teu katjaloer di djalanna, ka Soemědang ěnggeus soemping.

86. Nja eta ka KOETAMAJA, pada hebat sakabeh abdi², pada maroeroe ngaroeboeng, sareh lami angkatna, kaget heran tjatjaloer djeung pada batoer, ngiring atoh Goesti oerang, moelihna ngabojong poetri.

87. Pada hajang narongtonan, teh kakara ka dinja aja poetri, katjatoerkeun GEUSAN OELOEN, bangět Soemělang manah, reh [ 218 ]satadi HARISBAJA geus mioendjoek, ěnggeus ngandeg doea boelan, ngan kantoen Soemělang ati.

  1. Kitoe hatoer HARISBAJA, tajoh oelah raka soemělang galih, tatapina GEUSAN OELOEN, bàngět soemělang manah, reh geus angkat njatjat noe sakitoe djaoeh, ti Tjirebon ka Soemědang. toer angkatna beurang peuting.
  2. RATOE EMAS HARISBAJA, sasoempingna kalangkoeng hegar galih, hebat ningal goenoeng, leuweung mah soemawonna, geus kalangkoeng estoe leuweung loewang-liwoeng, ti Tjirěbon ka Soemědang, nandjak moedoen komo roempil.
  3. Tapi teu raos sangsara, katoekeuran koe katrěsnaan galih, ladjěng GEUSAN OELOEN njaoer, djeung pasěmon marahmaj. Eulis oelah rek ngagoegoe manah rèngoe, reh nimbang tanah Soemědang, djeung Tjirěbon lain deui.
  4. Kaendahan kamoeljaan, hěnteu aja ajeuna mah diganti, nja koe leuweung loewang-liwoeng, djalma ngan sakoer aja, geus papasten koedrating Allah Noe Agoeng, warna eusi alam doenja, noe aja di kolong langit.
  5. Ratoe EMAS HARISBAJA, ngawalonan pasěmon hegar galih, saoerna koering saoemoer, teu atjan gadoeh rasa, noe sakieu boengahna sagoenoeng-goenoeng, paribasa laoet lěga, lěga keneh ati koering.
  6. Koe GEUSAN DELOEN kamanah, panglělědjar satahir-lahir Poetri, lělěb mesěm GEUSAN OELOEN, poegoeh ge kalawanan, paribasa goela katinjoeh koe madoe, nja leu bandinganana, noe kasep reudjeung noe geulis.
  7. Sigeug noe di Koetamaja, Goesti abdi pada baroengah galih, KI SAJANGHAWOE katjatoer, sabatoerna tiloean, tatjan ingkah ti oeroet taroeng djeung moesoeh, di dinja didaragoan, bisina baralik deui.
  8. Tjatoerna ki KONDANGHAPA, anggoer hajoe oerang njaroesoel Goesti, di dieu teh tamboeh lakoe, geus sakleu lilana, tanpa goena perang nju ngadago moesoeh, toegěnah si Djawa edan, hariroep djědjěrih ati.
  9. Sanggeus rempoeg djeung batoerna, toeloej bae ti dinja ararindit, Goestina anne diboeroe, ngadjoegdjoeg Koetamaja, [ 219 ]datangna koe batoerna dibaroeroe, aromongna baragea, tjatoer awewe lalaki.
  1. Noe aja di. Koetamaja, teu njahoëun jen měntas taroeng djoerit, ti dinja ki SAJANGHAWOE, ngadeuheus ka Goestina, ngadadarkeun jen něntas taroeng djeung moesoeh, noe paeh gěmpar bangkena, noe hiroep malaboer miris.
  2. Poerwa henteu enggal moelang, ngadagoan bilih baralik deui, pilahirna GEUSAN OELOEN, noehoen ka GOESTI ALLAH, dikadarkeun oerang moeloes djeung rahajoe. djeung koela bangět tarima, tina kabelaan Aki.
  3. Djeung sabatoer noe tiloean, boemelana pada naroehkeun pati. mangsa bodo Anoe Agoeng, noe pimaléseunana, ka opatan noe geus ngadoe taroeng poepoeh, dipaparin kaoenggoelan, leupas tina baju pati.

DANGDANGGOELÁ.

  1. Toenda heula noe keur boengab galih, GEUSAN OELOEN reudjeung HARISRAJA, sasat keur ol-ng-panganten, beurang peuting diroeboeng, koe sadaju ais-pangampih, pada moengpoeng kasoekan, ajeuna katjatoer, GIRILAJA sadatangna, noe njaroesoel baladna para pradjoerit, anoe njoesoel garwana.
  2. Marinendjoek salampahna tadi, njoesoel rai RATOE HARIS-BAJA, doegi ka wates Tjirebon, geus meh bae kasoesoel, estoe sidik rai dipaling, koe Boepati Soemědang, ditjandak ka goenoeng, poerwa henteu těroes kébat, reh didjagi ngantos lami taroeng djoerit, djeung kapětěnganana,
  3. Gantjangna teh njauer Kjai Patih, dawoehanna PANGRAN GIRILAJA, bapa Patih ajeuna teh, oerang montong rek goegoep, enja oge sidik dipaling, Nji RATOE HARISBAJA, Koe si GEUSAN OELOEN, tangtoe enggeus di Soemedang, tapi oerang koedoe njaho masing sidik, 'na di mana tjitjingna.
  4. Ladjeng bae ngawalonan Patih, maksued abdi bade ngajoeroengan, noe roepi dagang pepelek, nja ela bade njamoer, di ditoena oelah katawis, bade mitih abdina, noe bade didjoeroeng. koe GIRILAJA kamanah, pilahirna rempoeg pisan bapa Putih, gantjang bae pilampah. [ 220 ]
  5. Sanggeus kitoe toeloej bae Patih, njiar anoe beunang dipěrtjaja, gantjangna geus meunang bae, doea djalma geus ladjoe, ka Soemědang lakoena děmit, saroepa anoe dagang. dagang laoek laoet, laĵoer pepetek djeung pěda, teu katjatoer di djalanna enggeus něpi, datangna ka Soemědang.
  6. Dina pasar dagang wara-wiri, teu katangen jen eta oetoesan. ajeuna gantjangna bae, HARISBAJA, katjatoer, sasoempingna di djero poeri, tatjan angkat angkatan, ka raka mihatoer, hojong tingali di Pasar, ladjeng angkat pirang-pirang anoe ngiring, enggeus soemping ka pasar.
  7. Geus tinangtoe pasarna teh leutik, toeloej ngider ningali dagangan, beh anoe dagang pepetek, djeung roepa laoek laoet, HARISBAJA manahna elíng, di Tjirebon hargana, eta laoek laoet. toeloej mariksa hargana, hidji pěda pihatoerna gěněp doeit, bangět kaget manahna.
  8. HARISRAJA kaget djeung ngalahir, bangět teuing dimahalkeunana, kami njaho di Tjirebon, hargana laoek laoet, lamoen hidji pěda sadoeit, ladjeng andjeunna angkat, ajeuna katjatoer. anoe njamar dagang peda, narendjona ka Nji Poetri enggeus sidik. njaeta noe diteangan.
  9. Toeloej bae goera-giroe indit, teu katjatoer lakoena di djalan, djol geus datang ka Tjirebon, toeloej bae ngadjoegdjoeg, ka boemina Kiai Patih, djeung pada aroendjoekan, salakoena oentoeng, estoe kaběněran pisan, tatjan Jila di djalanna geus djol soemping. Njai Poetri ka pasar.
  10. Poegoeh oge waktoena satadi, rea djalma geus pada tarĕrang, ka RATOE HARISBAJA teh, geus pertela mihatoer, eta doea oetoesan tadi, dibawa ngadeuheusan, ka djěro kadatoen, dioendjoekkeun titih pisan. sanggeus tamat koe GIRILAJA ka galih, toeloej minděl sakědap.
  11. Sanggeus kitoe milahir ka Patih, bapa Patih geura parentahan, kapětëngan pradjoerit teh, toeloej bae ngaroeroeg, ka Soemědang sabab geus sidik, HARISBAJA ajana, toeloej hae těmpoeh, masing samakata. gagaman, Soemědang teh wantoening nagara leutik, sadjongdjongan ge bědah.
  12. Tapi oerang leuwih hade titih, GEUSAN OELOEN disoeratun heula, ditanja sakarěpna teh, naha karěpna taloek, djeung njanggakeun deui Nji Poetri, lamoen niat ngalawan, geus tangtoe [ 221 ]
    těmpoeh, oelah sambat kaniaja, moal boeroeng bangke ranehna disiksik, keur hakaneun boeaja.
  13. Ti dieu noe mawa soerat tadi, tjampoer bae djeung balad noe rea, montong barěng datangna teh, balad mah koedoe toenggoe, sabalikna oetoesan tadi, noe mawa soernt tea, moen si (GEUSAN OELOEN, teu taloek serah bongkokan, toeloej těmpoh sing datang ka hoerak-barik, saeusining Soemědang.
  14. Ngudagona oelah djnoeh teuing, tina sisi dajeuhna Soemědang, soepaja teu meunang tempo, pikeun njoempoet maroeboes, GIRILAJA tamat ngalahir, toeloej Patih marentah, noe baris ngaroeroeg, gantjangna djoeng pada nangkat, teu katjatoer didjalanna geus narěpi, ka pangranděgan tea.
  15. Suharlta djalan leutik roempil, gědena ge ngan oekoer satapak, ngan anoe rada rata teh, toeroet sisi Tjimanoek, geus ti dinja balad pradjoerit, mapaj tjai ka girang, sisina Tjimanoek, milihan noe rada lempar. ka Tjipeles moearanu geus narěpi, di dinja manggih lempar.
  16. Toeloej mapaj ganti sisi tjai, énja eta Tjipeies ka girang. ti dinja balad 2teh, kandég koe Goenoeng Batoe. noe rarenges loehoer ngadingding, kabeh pada nareba, ngeureunan loemakoe, pada njieun pamondokan. sakadarna pěrnahna di sisi tjai, pada ngasokeun badan.
  17. Marondokna kakara sapeuting, doemadakan meh kabeh moeriang, rea noe ngadadak paeh, toeloej pada pahiboet, sakoeatna pada arindit njaringkahna ti dinja, bari malitjatoer tangtoe ieu teh gogodan, tah ti dinja anoe něpi ka kiwari, diseboet ngaran Godang.
  18. Kotjap anoe mawa soerat tadi. teu ngarandeg téroes ka Soemědang, toeloej disanggakeun bae, soerat ka GEUSAN OELOEN. geus diaos oengěling toelis, henteu kaoengěl pandjang. tapi ěnggeus tangtoe, koekoeh atawana pasrah, tjaritakeun ka noe mawa soerat kami, GEUSAN OELOEN dawoehna.
  19. Ajeuna mah maneh geura balik, heg bedjakeun ka si GIRILAJA. beurang peuting 'ge didago, lamoen niat ngaroeroeg, tanda ěnja anak lalaki, montong rek ngadoe balad, koe kami ditoenggoe, oetoesan teh geus bral moelang, katjatoerkeun ki SAJANGHAWOE tjaringtjing. sareh gens meunang bedja.
  20. Ti Tjirběon geus datang pradjoerit, noe rek němpoeh nagara Soemědang, tapi ajeuna ngadago, di dinja kararoempoel, kapětěngan [ 222 ]para pěrdjoerit, ki SAJANGHAWOE kotjap, toeloej bae njamoer, neang anoe ngoempoel tea, manehna teh ngadjadikeun aki-aki, anoe geus ripoeh pisan.
  21. Katjatoerkeun geus gok bae panggih, balad Tjirbon noe keur ngoempoel tea, pok nanja SAJANGHAWOE teh, naha mana ngaroempoel, lěbah dieu tempat noe soeni, naha teu nareangan, noe deukeut ka lěmboer, diwalon koe wadya balad, Jamoen aki teu njaho di ieu kami, sabatoer wadya balad.
  22. Ti Tjirebon noe rek němpoeh djoerit, rek ngěkésěk pangeusi Soemědang, sina boerak-barik kabeh, komo si GEUSAN OELOEN rek diwědjek djeung didjědjěwing, kadenge aromongna koe ki SAJANGHAWOE, toeloej indit lalaoenan, SAJANGHAWOE leumpangna teh api2, ripoeh rarampajakan.
  23. Koendang iteuk koe awi sapasi, sanggeus djaoeh ti noe ngoempoel tea, toeloej gagantjangan bae, marěk ka GEUSAN OELOEN, troes oendjoekan salakoe tadi, jen ratoesan baladna, ti Tjirebon ngoempoel, goegoendoekan těngah djalan, djeung manehna njamoer djiga akif, djeung barina tatanja.
  24. Aromongna wadja balad tadi. kaoemijoekkeun taja nae kaliwat, GEUSAN OELOEN minděl běngong. pamikir SAJANGHAWOE. Goestina teh Soemnělang galih, SAJANGHAWOE oendjoekan, ngoeng nja panoehoen. montong rek Soemélang manah, rehing bade oerang teh diroeroeg djoerit, koe balad GIRILAJA.
  25. Nadjan tambah baladna pěrdjoerit, asa teu gimir boeloe salambar, dikětroekkeun sa Tjirěbon, bareto noe njaroesoel, geuning kabeh malaboer miris, abi něda djiadna, soemědja ditěmpoeh, noe bade ngaroeroeg tea, nelah kantos ka dieu aja noe něpí, sina kaboer baroerak.
  26. Pilahirna GEUSAN OELOEN Aki, koela hanteu alang-koe-mapalang, nja pěrtjaja ka Aki teh, ngan koedoe mawa batoer. oerang koedoe lakoe djeung titih, da njorangan mah nista, tjatoer SAJANGHAWOE, sinarěng gadoeh panědja, hade mělak handjoeang djadi pertawis, ahdi teh nja goemělar.

DOERMA.

  1. Oenamina eta teh tangkal handjoeang, katingali koe Goesti. araloem daoenna, atawa paeh pisan, eta teh djadi pěrtawis, kasoran pěrang, moesoeh noe oenggoel djoerit. [ 223 ]
  2. Tapi lamoen handjoeang teh bělěgèran, montong soemělang galih, oelah koerang djiad, abdi masih goemělar, SAJANGHAWOE njěmbah indit, njiar handjoeang, teu lila ěnggeus manggih.
  3. SAJANGHAWOE mělakkeun tangkal handjoeang, reudjeung diati-ati, teu aja noe ningal, di aloen-aloen pisan, wantoening keur lakoe děmit, geus kitoe mangkat, barls mapag ngadjoerit.
  4. Dibarěngan koe batoer iloeanana, pada dangdanan djoerit, nja eta NANGGANAN, rawoeh Ki KONDANGHAPA, TERONGPEOT kitoe deuih, geus bral mariang, datang ka oproet tadi.
  5. Katjatoerkeun geus prak bae taroeng pěrang, teu silihtanja deul, djalma noe opatan, dihoeroep koe ratnesan, tapi hěnteu pisar gingsir, nadjan opatan, pada maratěk adji.
  6. Wědoek banjoe kabědasan hallmoenan, moen dikadek satjai lipoet saharita, sakitoe djadjatenna, balad Tjirebon matiis, noengtoetun loempat, malaboer boerak-barik.
  7. Boerakna teh ngidoel ngoelon ngater ngetan, hantém bae diberik, opat kapětěngan, SAJANGHAWOE NANGGANAN, djeung anoe doeaan deui, ěnggeus papisah, moesoehna diběběrik.
  8. Doea tiloe poë harita pěrangna, pada tatjan haralik, kotjap ki NANGGANAN, pangheulana moelangna, toeloej pendjoekan ka Goesti, lakoena pěrang, moesoehna kaboer miris.
  9. Mariksakeun Aki SAJANGHAWOE mana, walonna doeka Goesti, sareh pipisahan, waktoe ngalawan pěrang, tiloe dintěn tiloe wěngi, teu pisan těpang, djadjah pada ngadjoerit.
  10. Pilahirna GEUSAN OELOEN ka NANGGANAN, soegan katěmpoeh djoerit, walon ki NANGGANAN, doeka Goesti di mana. ngan batoer noe doea deui, radjeun katingal, dina waktos ngadjoérit.
  11. GEUSAN OELOEN ngadangoe hatoer NANGGANAN, bangět manahna sědih, djadi di manahna, Ki SAJANGHAWOE tiwas, ngan eta andělan djoerit, ajeuna tiwas, 'na rek koemaha deui.
  12. GEUSAN OELOEN njaoer RATOE HARISBAJA. pok nga lahir ka ral, eulis oerang tiwas, Ki SAJANGHAWOE tilar. teu timoe ichtiar deui, taja andělan, atoeh tjilaka diri. [ 224 ]
  13. Taja lian hajoe oerang gantjang ingkah, maroeboes ka noe boeni, walon HARISBAJA, abdi ngiringan pisan, GEUSAN OELOEN njaoer Patih, dawoehanana, harajoe bapa Patih.
  14. Aradjakan kabeh djalma sanagara, oerang pada arindit. ninggalkeun nagara, hawa saradja-banda, nerang moeboes ka noe boeni, oerang ichtiar, soegan noelak balal.
  15. Rehna AKI SAJANGHAWOE katiwasan, maot katitih djoerit, geus taja andělan, kadjabana ti eta, walonna Kiai Patih, sadaja-daja, ngiring sakarsa Goesti.
  16. Katjaloerkeun ti Koetamaja baroedal, nandjak ka leuweung sami, di djaman harita, teu atjan dingaranan, tjara sapěrti kiwari nělah ngaranna, Dajeuhloehoer nagari.
  17. GEUSAN OELOEN lali kana pěrdjangdjian, SAJANGHAWOE satadi, geus njieun tangara, tangkal handjoeang tea, oepami masih walagri, montong soemělang, pertawis oenggoel djoerit.
  18. Geus broel mangkat sapangeusi Koetamaja, sabogana diringkid, ti dinja pěrnahna, ka kidoel mengkol ngetan, narandjak di Pasirreungit, těroes ka wetan, sami mareuntas tjal.
  19. Ari anoe dimaksoed didjoegdjoeg tea, soekoe goenoeng RANGGANIS, anoe pangwetanna, reh loehoer momonggorna, disěboet koe noe kiwari, nja kaboejoetan, mashoer ka mana-měndi.
  20. Ari eta noe disěboet boeboejoetan, sipatna Batoetjoeri, nangtoeng tjara tihang, kawas ti djaman Boeda, něpi ka djaman kiwari, taja robahna, ngaděg li poentjak pasir.
  21. Gantjangna teh teu katjatoer didjalanna, GEUSAN OELOEN geus soemping, soemělang manahna, reh RATOE HARISBAJA nganděgna geus doen sasih, waktoe harita, toer njorang jalan roempil.
  22. Tapi RATOE HARISBAJA berag pisan, kotjapkeun abdi pangeusi nagara, sakabeh geus daratang, djeung ngirid saanak rabi, pada běběnah, baris ěnggonna tjitjing.
  23. Hanteu lila geus djadi roepa nagara, nadjan taringgoel roempil, tina kapěrloean, geus diatoer ditata, boemi menak abdi2, komo lěbětna, pantěs boemi boepati. [ 225 ]
  24. Katjatoerkeun malikan deui tjarita, ki SAJANGHAWOE tadi, keur waktoe pěrangna, oenggoel pisan gagahna, moesoehna kaboer mariris, hantěm dioedag, teu wěleh ngaběběrik.
  25. Kjai SAJANGHAWOE ngaranděg ngoedagna, tina katjida teuing, djaoeh ti oeroetna, tadi mimiti perang, toeloej hahaokan tarik, dagoan Djawa, noeroestoendjoeng djědjěrih.

SINOM.

  1. Eta djadi sasakala, oeroet SAJANGHAWOE tadi, hahaoka ka moesoehna, noe dioedag maboer miris, něrina ka kiwari, aja lěmboer disarěboet, ngaranna Dago-Djawa, pitjatoeran nini aki, di Soemědang mashoer kitoe riwajatna.
  2. Ngebatkeun ieu: tjarita, ki SAJANGHAWOE teh tadi, ngaranděg eureun di dinja, koe manehna teh kapikir, ajeuna anggoer balik, tanpa goena sědih kalboe, sakieu dihaokan, taja anoe balik deui, ti dinja teh SAJANGHAWOE těroes moelang.
  3. Bari neangan batoerna, dipapaj diilik-i.ik, dina oeroet taroeng pěrang, bari gégeroan tarik, bari dillik-ilik, ka noe hoeni kanoe singkoer, pikirna palangsiang, pada kasasar ngadjoerit, hantēm njaksrak djeung bari bingbang pikirna.
  4. SAJANGHAWOE henteu njangka, jen batoerna geus baralik panjangkana katiwasan, soegan lajonna kapanggih, djeung dihantem disoengsi, di noe boeni di noe singkoer, sanggeus wěleh reangan. SAJANGHAWOE datang pikir. leuwih hade katni gartjang hae moelang.
  5. Tina geus wěleh neangan. rek dioendjoekkeun ka Goesti, toeloej SAJANGHAWOE mangkat, henteu wěleh alak-ilik, ka kanan djeung ka kiri, nja eta ngilikan batoer. bari djeung gegeroan. gantjangna bae geus něpi, kaget bengong ningal dajenh Koetamaja.
  6. Kageteun kabina-bina, pikirna teh asa ngimpi, djeung nendjoan imah2 kosong sépi roentang-ranting. taja djalma sahidji. alak-ilik ngaler ngidoel, toeloej DJAJAPERKOSA, ingěteun djangdjina tadi, enggeus njieun tatanda tangkal handjoeana.
  7. Ti dinja toeloej diteang teu lila geus neh kapanggih eta teh tangkal handjoeang, bělégèran hiroep hoerip, ti dinja teh kapikir, tajohna teh GEUSAN OELOEN, teu ningali handjoeang, teu nganděleun kana djangdji, abong2 ka djalma bangsa oerakan. [ 226 ]
  8. Manehna datang pikiran, kakara manehna indit, nendjo oeroet djalma boedal, mapaj ka kanan ka kiri, taksiranana sidik, pang kosong pada maroeboes, paranna ngidoel ngetan, hantěn dipapaj disoengsi, djeung papanggih djalma anoe lalar-liwat.
  9. Ti dinja meunang tjarita, di goenoeng geus ngaděg nagri, noe boedal ti Koetamaja, beuki lila beuki sidik, ti dinja ganti pikir, SAJANGHAWOE datang napsoe, leumpangna beuki gantjang, teu karasa djalan roempil, katjatoerkeun ka Dajeuh Loehoer geus datang.
  10. Toeloej bae ngadeuheusan, GEUSAN OELOEN eukeur tjalik, dideuheusan koe batoerna, GEUSAN OELOEN kaget galih, barang ret katingali, toeloej digoepaj disaoer, kotjap djol ka pajoenan, lahirna bagea Aki, SAJANGHAWOE toengkoel henteu ngawalonan.
  11. Ngan toeloej bae oendjoekan, koe naon margina Goesti, mana ngalih ti nagara, ka noe loehoer ka noe soeni, djeung sakieu raroempil, pilahirna GEUSAN OELOEN, nja dalah dikoemaha, ichtiar salamět diri, měnding moeboes ti batan badan tjilaka.
  12. Sanggeus koela meunang bedja, jen Aki kasamboet djoerit, teu aja deul andělan, kadjaba Aki pribadi, toeloej bae ngagidir, awakna ki SAJANGHAWOE, djeung bari pioendjoekna, kapan abdi teh geus djangdji, njieun tawis tatanda tangkat handjoeang.
  13. Oepami eta handjoeang, noe didaměl tawis tadi, roeboeh atawana perang, komo moen paeh sakali, eta pertawis abdi, kasoran paeh koe moesoeh, tatapi kaget pisan, barěng dongkap beh kapanggih, beh ditingal nagara geus boerakrakan.
  14. Běngong bae sadjongdjonan, teu aja djalma sahidji, koe hajang nanja sababna, dajeuh kosong roentang-ranting, ti dinja datang pikir, boa handjoeang teh roeboeh, toeloej bae diteang, barěng beh estoe walagri hanteu robah hiroep bělěgěran pisan.
  15. 'Na koemaha katingaina, koe Goesti waktoe satadi, GEUSAN OELOEN pilahirna, kami nja poho teh teuing, djeung kaboeroe kapanggih, djeung batoer Aki noe tiloe, noe tadi babarengan, ti dieu rek mapag djoerit, sadatangna koe kami gantjang ditanja.
  16. Aki SAJANGHAWOE mana, mana hěnteu barěng balik, pihatoer Aki NANGGANAN, soemoehoen doedoeka Goesti, reh tiloe opat wěngi, abdi hěnteu pisan těpoeng, dina samemeh moelang, sarěng batoer disaroengsi, di lalahan dina oeroet pěrang tea. [ 227 ]167. Ieu koe batoer tiloean, wěleh bae teu kapanggih, manawina katiwasan, paeh katitih koe djoerlt, bangkena disamboeni, saakal-akalna moesoeh, kami teh kaget plisan, bangět nja ngahělas ati, ngalěnggěrěk saroepa anoe kasima.

168. Leungit pikiran ichtiar, sarehing teu aja deui, anoe didjieun andělan, kadjaba Aki pribadi, ti dinja datang pikir, anggoer goera-giroe moeboes, ngingětkeun santosana, moesoeh noe garagah sakti, tangtoe pisan ngaboeroe ka Koetamaja.

169. Harita teh Ki NANGGANAN, aja di pajoeneun Goesti, ti dinja DJAJAPERKOSA, napsoe awakna ngagidir, ngědjat djeung njaboet badi, djeung ngarontok bari noemboek, něwěkan Ki NANGGANAN, geus teu bisa hoedang deui, Ki NANGGANAN toeloej paeh babar pisan.

170. GEUSAN OELOEN djěngkar ngědjat, djeung ladjéng ngoentjikeun boemi, ajeuna noe katjarita. Aki SAJANGHAWOE indit. kawas anoe teu eling, bari ngomong toeroen tjadoe, watěs ieu ngawoela, moal rek ngawoela deus, noe boemela hěnteu pisan katarima.

171. Sakieu nja ngabelaan, sosoron ngalaboeh pati, anggoer ngagoegoe NANGGANAN, manoesa bohong djědiěrih, ngomongna bari tjeurik, bari leumpangna teh ngidoel, jeu teh panganggeusan, moal rek ngawoela deui, ka doenoengan noe teu boga panarima.

172. SAJANGHAWOE bari leumpang, ngawah napsoe liwat saking, majitna Aki NANGGANAN pinoeh kabaloer koe gětih, kabeh pada tjareurik, reudjeung pada ngagoegoeloeng, noe araja di dinja, geus teu katjatoerkeun deui, Ki NANGGANAN majitna geus dikaloeat.

173. Ari Ki DJAJAPERKOSA, tonggoj atina teh sědih, tapi hěnteu katjarita, manehna měrěnah tjitjing, ngan tajohna teu pati, djaoehna ti Dajeuh Loehoer, samalah katjarita, wasiatra wanti-wanti, talatahna ka sakoer anak-intjoena.

174. Pokna lamoen aing adjal, toeroetkeun pamenta aing, koeboer deukeut kaboejoetan, rada beh kaler saeutik, djeung mangke majit aing, dikoeboerna sina dioek, oelah sina nangkarak, sabab aing hěnteu soedi, njanghoeloean ka lěbah oeroet doenoengan.

175. Sarehna ti Kaboejoetan, ngaler ka koelon saeutik, kana palěbah boemina, doenoenganana noe tadi, djeung talatahna deui, papagon ka anak intjoe, lamoen mangke daratang, djarah ka koeboeran aing, panatjoean oelah make tjara Djawa. [ 228 ]176. Anoe kasěboet batikan, totopong atawa samping, karembong djeung salianna, anoe kangaranan batik, koe sabab aing idjid, ka Djawa Tjirěbon moesoeh, saha anoe ngamaha, ka ieu papagon aing. seg rasakeun mangke aja babalěsna.

177. Něpi ka djaman ajeuna, tara aja anoe wani, lamoen djarah ka makamna, Aki SAJANGHAWOE tadi, make ka ngaran batik, koedoe bangsa noe ditinoen, tapi djaman ajeuna, noe daratang menak koering, lain djarah ka makam DJAJAPERKOSA.

178. Makamna DJAJAPERKOSA, roepana estoe pasagi, teu siga makam noe rea, tětěngěrna ge ngan hidji, babasan malawading. tanda dikoeboerna dioek, sakitoe tjaritana, Aki SAJANGHAWOE tadi, teu katjatoer aja toeroen-manoeroenna.

DANGDANGGOELA.

179. Katjatoerkeun noe keur pada sědih, GIRILAJA rawoeh ponggawana, saeusi nagri Tjirěbon, rehna geus kapioendjoek, koe baladna para pěrdjoerit, noe kakara daratang, marěntas ngaroeroeg, ngaroeroegan Koetamaja, noe hariroep pada malaboer mariris, noe paeh pirang-pirang.

180. Koe GIRILAJA ĕnggeus kagalih, nadjan hantěm njieun tatamplokan, koe sapangeusi Tjirěbon, Koetamaja diroeroeg, nadjan oentoeng tapi kagalih, njieun tjoea manahna, nadjan geus karěboet, tapi eta HARISBAJA, nadjan geulis reh papisah ěnggeus lami ajana di noe lian.

181. Moal pěgat mangke tjoea galih, HARISBAJA masih tědak SOENAN, lain awewe noe hade, lakoena hina noesoed, wani tega tinggal salaki, hina taja kawirang, GIRILAJA njaoer, ka anoe ngadareuheusan, praponggawa rawoeh Pangoeloe djeung Patih, dawoehan GIRILAJA.

182. Ajeuna mah koe kami kapikir, moal owěi koe si HARISBAJA, awewe noe goreng hate, ngan ingět ka SINOEHOEN, di Mataram anoe maparin, ngaranna ge gandjaran, ti KANGDJENG SINOEHOEN, pěrtanda kami kamanah, koemawoela ngaranna pangkat Bopati, tanpa raos katjida.

183. Lamoen hěnteu kami goesak-gasik, teu oendjoekan sakoer kadjadian, soemělang meunang běběndon, siga teu sembah noehoen, gandjaranna hanteu dipoesti, toer eta HARISBAJA, alona SINOEHOEN, noe ngadeuheus barěng njěmbah, djeung taroengkoel atina pada sarědih, wělaseun ka Goestina. [ 229 ]184. Pihatoerna Pangoeloe djeung Patih, kasinggihan pisan sadawoehan, awon teu kaoendjoek bae, oengělna kitab hoekoem, měnggah lampah djalma Moeslimin, oepami awewena, ka saiaki noesoed, nadjan sabraha lilana, lamoen hanteu ditalak mah koe salaki, masih tětěp tikahna.

185. Pilahirna ka Kiai Patih, ajeuna mah rek oendjockan heula, Patih geura milih bae, djalmana anoe tjoekoep, baris mawa soerat ti kami, ka SINOEHOEN Mataram, sina těroes ladjoe, moelangua mawa wangsoelan, gantjangna teh noe mawa soerat geus indit, teu kotjap di djalanna.

186. Ka karaton Mataram geus něpi, sadatangna aju anoe nampa, eta oetoesan Tjirebon, kaoendjoek ka SINOEHOEN, djeung soeratna bawana tadi, geus diaos soeratna, koe SOENAN kamaphoem, kantěnan ngangrès galihna, gantjangna teh oetoesan Tjirebon tadi, geus ditimbalan moelang.

187. Koe SINOEHOEN sarta dipaparin, doea soerat bawaeun manehna, keur ka Boepati Tirebon, oetoesan těroes ladjoe, ka Tjirebon geus datang deul, enggeus tangtoe moelanan, lampah moelang-wangsoel, kébatna jeu tjarita, gantjangna teh doca soerat geus katampi, koe PANGRAN GIRILAJA.

188. Ma'loemna teh soerat anoe hidji, noe toedjoel ka PANGRAN GIRILAJA, Jen SINOEHOEN geus mangartos, njleun nganggresna kalboe, pilahirna montong dipikir, tangtoe papasten tea, ti ALLAH noe Agneng, djaba kitoe eta soerat, anoe hidji deui nja soerat ti kami, kirimkeun ka Soemědang.

189. Toeloej njaoer Pangoeloe djeung Patih, pilahirna PANGRAN GIRILAJA hade Pangneloe koe maneh, mawa soerat SINOEHOEN, oetamana maneh pribadi, měrloekeun mawa kitab, fasal bangsa hoekoem, lamoen GEUSAN OELOEN Islam, koedoe toeroet saoengěling hadis dalil, anging moen masih Boeda.

190. Gantjangna teh Pangoeloe geus indit, ti Tjirebon ka Nagri Soemědang, djadi tambah soesahna teh, koedoe nandjak ka Goenoeng, seseleket djalanna roempil, harita mimitina, ngaran Dajeuh Loehoer, toeloej bae ngadeuheusan, gantjangna teh koe GEUSAN OELOEN ditampi, reh geus loma tadina.

191. Toeloej bae soernt SOENAN tadi, disanggakeun sanggeusing katjandak. koe GEUSAN OELOEN diaos, saoenina ka mafhoem, [ 230 ]pandjang teuing lamoen diwintjik, hal RATOE HARISBAJA, ka salaki noesoed, oelah djadi papandjangan, ajeuna mah koe maneh tikah sakali, tapi beuli talakna.

192. Koe Pangoeloe disamboengan deui, koe pitoetoer saoenining kitab, koe GEUSAN OELOEN kahartos, toeloej bae ngadawoeh, ka Pangoeloe koela geus ngarti, arek badami heula, djeung sabatoer-batoer, ti dinja salasaoeran praponggawa Pangoeloe reudjeung Papatih, tjinděkna geus koempoelan.

193. GEUSAN OELOEN milahir ka Patih. bapa Patih koedoe saraksian, rawoeh Pangoeloe Tjirebon, sarehna koela ngingoe, istri anoe boga salaki, Nji RATOE HARISBAJA, ka salaki noesoed, geus ninggalkeun salakina, teu poeroeneun manehna teh balik deui, hajang tětěp di koela.

194. Ti ajeuna kaoela teh djangdji, saraksian koe sakoer noe aja, rawoeh Pangoeloe Tjirèbon, reh HARISBAJA noesoed, tanpa pamit tinggal salaki, saajeuna manehna, noe masih kakoeroeng, koe tikahna GIRILAJA, mambrih lepas tina tikahna salaki, rek dibeuli talakna.

195. Tapi lain dlbeuli koe doeit, dibeulina nja eta koe tanah, ti Soemědang ngetan-ngaler, kidoel sirah Tjiloetoeng, toeroet sisi waloengan tjai, něpi ka moearana, těpoeng djeung Tjimanoek, ngaler téroes ka sagara, satadina watěs tanah tapiswiring, Tjirebon djeung Soemědang.

196. Ti kidoelna ti watěs Tjikidjing, ngaler nandjak ka Goenoeng Tjirěmaj, těroes ka Goenoeng Koromong, ngaler těroes ka laoet, mengkol ngoelon sisi basisir, ti koelon sapandjangna, Tilloetoeng. Tjimanoek, ningal boek tina ajeuna, eta tanah pameuli talak noe tadi, nja eta Madjalëngka.

197. Saafdeeling anoe lima district, kitoe tjatoer rlwajat Soemědang, kotjap Pangoeloe Tjirebon, tina geus hasil maksoed, toeloej bae pamitan balik, teu kotjap di djalanna, ajeuna katjatoer, GIRILAJA ngadagoan, ngarep-ngarep teu pěgat beurang djeung peuting, Pangoeloe teh datangna.

198. Pangoeloe teh tadi memeh indit, ti Tjirebon ka nagri Soemědang, bangět atina teh seber, mikir njampeurkeun moesoeh, rasana teh sosoroh pati, tapi ari djadina, kadatangan moedjoer, saroea djeung oenggoel pěrang, alahbatan ngaroeboeng ngabojong Poetri, Pangoeloe teh rasana. [ 231 ]199. GIRILAJA harita keur lirggih, ret ningali Pangoeloe jol datang, kalangkoeng manahna kaget, bengong ningal Pangoeloe, Pangoeloe teh njěmbah ngabakti, gantjangna dipariksa, toeloej kaploendjoek, dina salakoe-lampahna, ka Soemědarg něpi kana ninggang hasil, nja eta kanoegrahan.

200. GIRILAJA bangě soeka galil, meunang taneh sakitoe légana, tambah djadjahan Tjirebou, tina kaliwat moedjoer, toeloej bae Kiai Patih, ngoempoelkeun ponggawana, di pajoeneun RATO, gantjangna teh didawoehan, sakabehna tjara noe diseboet tadi, Tjirebon tambah lega.

201. Sigeug anoe eukeur soeka galih, GIRILAJA awit manggih doeka, sareh garwana ngalolos, saajeuna geus lipoer, sakoemala kaseboet tadi, doeka gantina soeka, tjatoerna pitoetoer, ajeuna noe katjarita, GEUSAN OELOEN geus tětěp soegěma galih, ngagarwa HARISBAJA.

202. Aja anoe katjatoerkeun deui, RADEN EMAS PANTJAWARA tea, noe tinggaleun di Tjirebon, geus llla toeloej njoesoel, ka rakana noemoetkeun ngalih, harita HARISBAJA, geus di Dajeuh-Loehoer, PANTJAWARA manggih gěnah, boemen-boemen tětěp henteu moelih deui, malah tědak toemědak.

203. Aja anoe dibalikan deui, RATOE HARISBAJA sasoempingna, ka Soemědang eukeur bobot, saharita ka seboet, ngardegna teh geus doea sasih, tina geus rada lawas, djadi ninggang waktoe, itoengan noe nganděg tea, ladjeng bahar wiloedjeng anoe pinanggih, djeung paměgět poetrana.

204. GEUSAN OELOEN langkoeng soeka galih, kitoe deui RATOE HARISBAJA, dimongmong moerangkalih teh, anggépna GEUSAN OELOEN, pangraosna poetra pribadi, mangke dina ageungna namina diseboet, RADEN SOERIADIWANGSA, katjarita GEUSAN OELOEN lami-lami, poetraan baranahan.

205. Ari poetra noe sěpoeh pribadi, enja eta poetra HARISBAJA, di achirna noe ngagentos, kang rama GEUSAN OELOEN, kaloenggoehan djadi Boepati, noeroen djěněngannana, nja eta diseboet, PANGRAN KOESOEMAHDINATA, énja eta ngaganti diadi Boepati, sawapatna ramana.

206. Lambat-lambat djoeměněng Roepati, GEUSAN OELOEN něpi ka sěpoehna, katjatoer tjinděkna bae, GEUSAN OELOEN teli [ 232 ]poepoes, doegi adjal di djaman lahir, nja kitoe HARISBAJA, katjatoer geus poepoes, teu padjaoeh ti rakana, ninggang kana basa awet laki rabl, něpi kapanganggeusan.

ASMARANDANA.

207. Makam GEUSAN OELOEN tadi, rawoeh makam HARISBAJA, teu padjaoeh těmpatna teh, saban aja anoe djarah, gampang ka doeanana, oeroet kota Dajeuh Loehoer, nja eta di dinja pisan.

208. Ajeuna malikan deui, noeroet oenina sadjarah, garwana GEUSAN OELOEN teh. kakotjapkeun aja doea, diseboet djeněnganna, nami nji MAS GEDENG WAROE, poetra SOENAN PADA tea.

209. Ti dinja poetraan deui, paměgět oge poetrana, anoe mangke achirna teh, anoe ngaganti rakana, Boepati di Soemědang, dina sadjarah diseboet, PANGRAN RANGGA GEDE tea.

210. Poetra GEUSAN OELOEN tadi, noe aja dina sadjarah, henteu dikatjapkeun kabeh, tatapi tědak-toemědak, rea pisan roedajna, ieu mah anoe ditjatoer, ngan eta bae noe doea.

211. Ari rakana noe tadi, noe ti RATOE HARISBAJA, teu lila djoeměněngna teh, mitoeroet tjaritaan mah, wapatna di Mataram, keur seseba ka SINOEHOEN, djeung ninggalkeun doea poetra.

212. Doeanana poetra istri, henteu moelang ka Soemědang, tangtoe aja roendajna teh, sareh PANGERAN Soemědang, kotjapna di Mataram, dipiasih koe SINOEHOEN, kongas kagagahanana.

213. Dalah něpi ka kiwari, henteu pěgat tjaritana, djeung kaseboet makamna teh, di desa Běmběm ajana, rea noe pada djarah. koe oerang dinja diseboet, makamna ka-Soemědangan.

214 Rea pangagoeng tingali, di Solo reudjeung di Djogdja, eta PANGRAN Soemědang teh, wapatna nja di Mataram, nalika djaman koena, eta riwajat saestoe, pantès lamoen dipertjaja.

215. Ajeuna malikan deui, Boepatina di Soemědang, Kangdjeng PANGRAN RANGGA GEDE, geus poetraan baranahan, djeung lami djoeměněngna, ngalihna ka Dajeuh Loehoer, ka wetaneun Koetamaja. [ 233 ]216. Nagarana sisi tjai, lega lempar lalahanna, kakoerilingan Tjipeles, rapět ka kota ajeuna, sabeulah kaler-wetan, malah kaitoeng kaasoep, sisina kota ajeuna.

217. Ajeuna malikan deui, soepaja sakabeh terang, satr.di babad Tjirebon, teu bisa ladjoe djalanna, koeloneun lěmboer Godang, kapěgat koe Goenoeng Batoe, djeung ngadadak maroeriang.

218. Ari Goenoeng Batoe tadi, nja Goenoeng Tjarioe tea, něp: ka sisi Tjipeles, sakoeloneun lěmboer Godang, dalah djaman ajeuna, koe djělěma disarèboet, jen sangět loba djoerigna.

219. Malah-malah geus kaboekti, tjaritana noe ajeuna, dina sawaktoe bareto, taoen lima poeloeh doea, baris didjieun jalan, mimiti ti Karang-samboeng, anoe těroes ka Soemědang.

220. Tatapi teu koengsi djadi, dina samangsa harita, timbanganana Goepěrmen, teu atjan pěrěloe pisan, tatapi di tnoetan sarebbe dalapan ratoes, djeung toedjoeh poeloeh salapan.

221. Harita dipadjoe deui, ně.oeskeun ngaganti djalan, noe ti Tjohggeang ka Tomo, diatoer koe Watersétat, noeroet djalan baheula, njorang ka Goenoeng Tjarioe, deukeut lěmboer Godang teu.

222. Nagarana sisi tjai, lega lempar lalahanna, ajeunana Tegal kalong, rapět ka kota ajeuna, sabeulah kaler-wetan, malan kaitoeng kaasoep, sisina kota ajeuna.

223. Watěs leu noe digoerit, ari babad Soemědang mah, djadi masih pandjang keneh, ari ieu babakoena, soepaja pada terang, asal tědak GEUSAN OELOEN, ieu babad digoeitna.

224. Beunang Dalem Adipati, Aria Martanagara, pangarang ieu babad teh, minangka njieun poesaka, tingaleun poetra-wajah. ngajoeh barkating loeloehoer, tědak-toemèdak Soemědang.

225. Pepeling tamat ngagoerit, ngarang babadna Soemědang, noedjoe dina dintěn Sěnen, boelan Februari tanggal, gèněpwèlas tahoenna, sareboe salapan ratoes, doea poeioeh di Soemědang. [ 234 ]

39. DAJEUH MADJAPAIT.

Kawas sakoer bangsa. oerang mah moal pati aja noe bireuk, jen djaman baheula di Poelo Djawa, aja hidjf karadjaan Djawa-Hindoe anoe gěde kabina-bina, katjěloek ka awoen, kawentar ka mantja nagara, nja età karadjaan Madjapait; bawahanana gède moal sabarana, leutik moal sabaraha, tí kapoeloan Hindia-Wetan ajeuna.

Dajeuhna eta karadjaan ngaranna Madjapait oge: ajana teu pati djaoeh ti dajeuh Modjokerto ajeuna, kira² lebah desa Troewoelan. Eta dajeuh diadegkeunana dina tahoen 1294 koe Pangeran WIDJAJA, anoe di achir djoeměněng radja di dinja, wawangina Radja KERTARADJASA. Dajeuh Madjapait těroes-toeměroes djadi dajeuh karadjaan něpi ka tahoen 1400; ti sěmět harita dajeuh karadjaan dipindahkeun, lain di Madjapait. Dina tahoen djoeměněng radja di Madjapait, kakasihna HAJAM WOEROEK, nja andjeunna radja Madjapait anoe pangmashoerna kaagoenganana. Di Madjapait aja pirang aloen, loba tjandina djeung rea karaton'. Tapi noe ajeuna aja keneh patilasanana ngan: Wringin Lawang djeung Badjang Ratoe; lian ti eta patllasan tjandi-tjandina, nja eta Tjandi Kedaton, Tikoes, Brahoe d. s. t.

Kabeh-dieunakeun, lantaran kersana Kangdjeng Dalěm Modjokerto, loba deuí patilasan³ eta dajeuh anoe kapanggih deui, kajaning: pirang titimangsa, oeroet tembok koeta aakoerlling dajeuh djeung koeboeran radja-radjana. Eta kabeh diampihan di museum di Modjokerto.

Ari anoe kabawah ka karadjaan Madjapait salianna Poelo Djawa, nja eta: Tambilan ajana di Laoet Tjina beulah kidoel - Siantan djeung Djemadja (Kapoeloan Anambas) di laoet eta keneh Boengoeran, Sěrasan, Soebi djeung Poelo Laoet (Kapoeloan Natoena) di laoet eta keneh Tioman (Timoan), Poelo Tinggl djeung Pamanggilan atawa Pamanggli (sawetaneun Malaka basisir wetan) Poelo Karimata (koeloneun Borneo) - Blitong (Bilton) djeung Bangka Lingga, Rio, Bintan djeung Boelang (Kapoeloan Rio djeung Lingga) - Sambas, Mampawah, Soekadana, Kotawaringin, Bandjarmasin. Pasir, Koetel djeung Berou (Borneo) Djambi, Falembang, Pasel (Soematra) - Oedjoeng Tanah (Kaap Romala di Malaka) - Bandan (Kapoeloan Banda) - Seram (Ceram) Larantoeka (Flores) - Bima djeung Soembawa - Salaparang (Lombok) ― Bali djeung Balangbangan (Djawa Wetan). Noeroetkeun tjek kaol Djawa loba deui radja anoe taloek bajar oepěti ka Madjapait, nja eta: Radja Singapoera, Indragiri (Soematra), Broeneí (Borneo), Kapoeloan Soeloe, Manila, Ternate, Timor, Ende (Flores), Gowa djeung Makasar (Celebes). Kitoe deui di karadjaan Měnangkěbo, teu meunang henteu koedoe aja oerang Djawa noe dihadja dipindahkeun ka dinja. [ Gb7 ]

Kantor bitjara, nja eta kantor karésidenan di Batawi.

SI DJAGOER mariem kabacutan di Karesidenan Batawi

[ 235 ]

40. ENDOG ANOE ANEH.

Lamoen oerang ngadenge noe njeboetkeun „ěndog”, sok toeloej bae ingět kana bangsa manoek, da eta anoe sok ngarěndog teh: tapi salian ti manoek oge rea deul bangsa sato anoe sok ngarěndog, kajaning: boehaja, oraj, toke, pěnjoe, toetoet, bangkong djeung roepa² taga (insecten).

Boehaja ana ngěndog dina sakalina 20 něpl ka 60 siki, gěđenu saroea djeung endog soang. Bisana měgar lain koe disileungleuman koe indoengna, tapi koe panasna panonpoé bae,

Ari penjoe dina sakalina ngěndogna blasana leuwih ti 100 siki: eta endog koe manehna sok dikoeboer koe keusik di basisir. Děmi pětana: samemeh ngěndog teh ngědoek keusik heula, njieun logak;. toeloej ngěndog di dinja; geus kitoe toeloej disaeuran deut koe keusik, ti dinja leos ditinggalkeun. Djerona eta koeboer endog teh nepi ka 1½ M.

Děmi akal toekang nareangan endog pěnjoe pikeun nganjahokeun tempat endog tea, kieu: Oepama manehna neuleu aja penjoe keur ngěndog. geuwat nantjébkeun rokrak di deukeut těmpat eta; engke dimana sipěnjoe geus indit ti dinja, gantjang keusik anoe deukeut kana rokrak tea dikoekoej; mimindengna endog tea sok kapanggih. Ari biasana pěnjoe teh ngarěndogna sok ti peuting di sisi basisir. Dina měněran tjaang boelan toekang neangan endog naroeroeban maneh dl basisir, ngawaskeun pěnjoe noe rek ngarendog, soepaja bisa nantjebkeun tětěngěr tea; djadi dimana noe boga endog geus indit, babari neangan tempatna.

Endog oraj roepana semoe ngenjod, bangoenna lonjod, bisana měgar koe panasna panonpoë. Aja oge oraj noe sok noempian endogna, saperti: oraj santja; tah eta mah ěndogna teh disileungleuman koe maneh. Koe noe palintěr geus dipariksa, jen dina mangsana njileungleum panasna awak oraj tea tetela nambahan.

Bangsa toetoet, sawareh mah, kajaning anoe gědena něpi ka 20 c.M., ana ěndogan teh, endogna sok sagide endog manoek garedja.

Ari kana endog bangkong mah kawas moal aja anoe bireuk, sarerea oge geus maranggihan, děmi ahengna eta boeroej, nia eta anakna, bět boentoetan sarta roepana teu harib ka indoeng ka bapa, mingpěr kana laoek. Lila' bidjil soekoe, boentoet tea leungit, nja bleg bae patoet indoeng roepa bapa teh tembong.

Pirang² bangsa sato anoe sok pirang ěndoganana, kajaning: bangsa laoek, bangkong, koekoepoe, pěnjoe d.s.t. Ngan oentoeng baebět tara měgar kabeh. [ 236 ]Laoek kabeljauw ngěndogna dina saoemoerna hiroep teh nepi ka 7 joeta; lamoen endog sakabeh kabeljauw djeung laoek lianna malēgar kabeh sarta hariroep deui něpi ka gěde, meureum moal lila oge laoet anoe sakitoe legana teh pinoeh kabeh.

Oepama kabeh anak-intjoe koekoepoe hidji hiroep kabeh, dina sadjěro tiloe tahoen, eta koekoepoe hidji tadi tea, geus djadi 1 000 000 000 (sareboe joeta) koekoepoe; koekoepoe sakitoe reana, eta, bisa mindingan tjahaja panonpoë datang ka mockan hidji kota gěde. Hadena joetra laoek lalemboet, koekoepoe, koeja d.s.t. sok dihakan koe sato sedjen. Djadi alam noe goemělar ieu salilana ngadjaga bae, soepaja oelah aja anoe leuwih tina perloena.


41. TJINJOESOE OEJAH DI GOROBOGAN.

Di afdeeling Gorobogan (karěsidenan Samarang) aja hidji district, ngaranna Kradenan, pakěmitanana Koewoe. Henteu djaoeh ti dinja aja leutak ngaboerial, katělahna Blědoeg. Tempat anoe aja tjinjoesoean tea bangoenna meh boeleud bener saperti cirkel djeung moendjoekoel loehoerna 3 M.; ari straalna eta boeleudan aja satengah pal. Roepana leutak anoe ngaboerial biroe atawa siga timah, sarta salilana inggeung bae djeung heuleut 20 atawa 30 M. poendjoekoel! moendjoekoel kira aja 1 M. mah loehoerna, bělětoek kitoe, leutakna moenggah njebrot. Gas anoe katembongna bodas siga haseup mětjat-mětjatkeun eta leutak něpi ka aja anoe 5 a 6 M. djaoehna, ana ragrag ninggang kana leutak anoe ngampar tea, terang sorana kadenge koe oerang tinggaréplak. Anoe pangnjatjasna katembongna di doea těmpat.

Eta těmpat, taneuhna saheubeulna baseuh bae lantaran gas anoe tingbělětoek baritoe tea djeung koe tjai anoe rěmběs, sarta teu beunang ditintjak, da běje teuing: koe sabab eta koe djělěma² diarakalan sakoerilingna eta moemoenggang make sasag koe awi, mambrih beunang ditintjak keur djalan; ari ka beh tengah mah, soemawonna kana poeseurna tempat noe tingpělětoes tea, teu aja noe bisa. Děmi eta leutak anoe maloentirat, eta, taneuh ti loear bae, art anoe ti djero mah ngan gas djeung tjai tea bae.

Tjaina rasana asin, sabab aja oejahna. Eta tjal koe oerang dinja sok didjarieun oejah. Ari pětana ngala tjaina kieu: Eta tjai dikotjarkeun kana soesoemoeran, atawa lamoen teu kitoe dikamalirkeun ditandean koe antjak gěde noe didjieun koe awi bebekan ditangkarakkeun, djadi tjal teh ngaroemplang dina hebekanana; di mana katodjo koe panonpoë tjaina njamboeang djadi saab, noe tinggal ngan oejahna bae dina awi tea; njokotanana oejah disendokan, toeloej didjaroeal. Dina satahoenna teu meunang njieun [ 237 ]oejah leuwih ti 40 000 pikoel. Ari anoe meunang njieun oejak di dinja ngan sapoeloeh desa. Ngadjoealna oejah ti dinja ngan kaldinan di afdeeling Gorobogan bae djeung di sawetara tempat di karěsidenan Soerakarta.


42. HAL KAPERTJAJAAN KA DOKTOR.

Oerang Priboemi lolobana tatjan pertjaja keneh bae ka bangsa doktor teh, geus poegoeh deui ari tjara oerang lemboer mah noe djaraoeh ka doktor, montong ditjaritakeun deui, moal' atjan njarahoëun jen ari doktor teh watjis kana bab panjakit; sangkaanana meureun ari doktor teh, kitoe bae pangabisana teh saroea djeung doekoen di pilěmboeran. Malah loba pisan anoe boga pangira. pangabisana doktor sahandapeun doekoen kampoeng, ana ngoebaran teh tara atjan didjampean; kawoewoeh deui oerang lemboer teu njarahoëun di ngaranna oebar-oebaran anoe dipake koe doktor naon boa eta teh.

Koe hal eta geus teu nganděl bae oerang lemboer mah ka doktor teh.

Atoeh ari bangsa Priboemi teu palērtjaja ka doktor kitoe mah, koemaha pingartieunana kana goenana kasehatan badan, padahal kasehatan badan teh, eta, hal anoe pangpěrloe-pěrioena dina hiroep oerang". Saha' anoe sehat badan, eta sasat boga modal pikeun meuli kahajangna. Djalma anoe saoemoer-oemoer gering hae, eta leuwih sangsara ti batan anoe malarat.

Ari pěta-pětana doktor ngadjalankeun kawadjlban, henteu pěrloe dipědar di dieu, anoe pěrloe dietjeskeun teh, eta, koemaha pětana oerang Priboemi dina kataradjang gěring. soepaja meunang pitoeloeng anoe goena keur dirina pribadi djeung bisa narik batoer anoe tatjan ngaranděl ka doktor.

Lamoen aja djělěma kataradjang gěring, koedoe geuwat ngadeuheus ka doktor; di dlnja koe doktor baris dipariksa panjakitna sarta baris dipaparin oebarna anoe matih. Sagala papatah djeung parentah doktor koedoe ditoeroetkeun, karana ngan doktor anoe oeninga běněr kana sabab-sababna eta kasakit djeung oeninga kana pioebareunana.

Djělěma anoe bisa tjageur deui, netelakeun jen anggahotana geus běrěsih deui, teu aja bibit panjakitan. Manehna koedoe ichtiar ngadjaga kasehatanana, soepaja oelah něpi ka katěrap deui panjakit. Děmi tarekahna pikeun ngadjaga kasehatan badan teh: kadaharan koedoe hade. papakean moedoe běrěsih. Saha anoe ngalampahkeun kitoe, eta noedoehkeun jen manehna nganděl kana pangatoeran doktor. Tah, mana salahna paham doktor dina lěbal dinja? [ 238 ]Aja deui anoe pěrioe ditoeroet teh, nja eta pantrangan ti doktor anoe keur ngadjalankeun kawadjibanana, misilna: anoe gering ngan meunang dahar kadaharan anoe hade bae anoe ditoedoehkeun koe doktor, lian ti eta teu meunang. Eta pantrangan teh gawena ngan keur ngadjaga soepaja anoe gěring oelah tjllaka; karana pantrang teh aja manpaatna, nja eta mere koeat ka noe gěring. Koe hal eta, hadena mah sakoer anoe dipantrang kitoe teh koedoe naroeroet, oelah aja anoe moengpang, da keur miara awak. Lamoen teu noéroet teh tetela nakěr eta djělěma ěmboeng mlara awak; saha² anoe teu miara awak, sok mindeng meunang panjakit.

. Ari noe gěring mah geus poegoeh deui, pěrloe kabina-bina noeroetkeun pantrangan doktor teh, leuwih manan anoe tjageur, sabab awakna boga kasakit. Dalah pikeun anoe tjageur oge, oelah bae ngalanggar pantrangan doktor teh.

Pěrkara ieu oge, pěrloe dipalikir koe sarerea, naha pangatoeran doktor kitoe teh hade atawa hěnteu?

Djělěma anoe koerang pangartina tina hal ngadahar oebar, tara dipikir deui pitoedoeh sing djělěma oge didahar bae, oenggal poë goenta-ganti oebar, taja hidji anoe aja toeloengna, anggoer kasakitna beuki madjoe. Di mana geus kitoe, geus pajah, geus beak harepan, kakara menta dioebaran koe doktor. Koemaha ann pok teh ngaromong, madjar: geuning doktor teh teu pira pangabisana, teu sabaraha toeloengna, bět teu tereh tjageur dioebaran koe doktor oge. Eta kaliroe, naha bět dipikir jen eta noe gěring teh dibawana ka doktor sanggeus pajah katjida, sanggeusna meh teu bisa tjageur deui atawa memang geus euweuh oebaraneunana deui; tjoba lamoen dipasrahkeunana ka doktor barang kataradjang pisan mah koe kasakitna atawa samemeh pajah, tangtoe anoe gering tereh tjageur deui.

Aja oge djělěma anoe dipěrgasi koe pěrgasi beunang njieunna sorangan, kajaning koe tjengek diběběk toeloej ditinjoeh koe tjai, těroes diinoem; atawa anoe didjieunna papagan sambodja digodog: eta pěrgasi doeanana oge gěde mamalana.

Aja deui anoe moeriang panas dimandian, pikirna: panas lamoen ditjalan tangtoe tiis. Oepama ngarasa tarlris toeloej mojan, mambrih panas. Pěta kitoe teh lain bae euweuh mangpaatna, tapi mamalana gěde deuih.

Sok aja djelema anoe mikir kleu: djoeragan doktor marentahna, koedoe dahar pel kina sapoe doea kali, sakali-kalina 3 siki; ah anggoerai 'rek 6 siki bae sakalina, ambeh tereh tjageur. Teu njahoan manehna, jen lobana oebar teh beunang nimbang noeroetkeun kapěrloeanana djeung hadena; ana loba teuing matak djadi mamala; ana saeutik teuing koerang toeloengna. [ 239 ]Koe sabab eta dina hal ngadahar oebar, koedoe tigin pisan nja noeroetkeun parentah doktor: waktoena, lobana oebar oelah rek diobah.

Masing ingĕt jen anoe bisa ngoebaran kasakit teh, ngan djĕlĕma anoe paham bĕnĕr bae kana hal elmoena, teu beda tjara noe rek menta pangngomeankeun landjam koedoe ka pandaj, oelah ka kamasan, sabab dina oeroesan landjam pandaj leuwih pintĕr ti batan kamasan. Koe sabab eta lamoen oerang kataradjang gĕring, koedoe gantjang njoehoenkeun oebar ka doktor; oepama euweuh doktor, nja moal dikoemahakeun, hade oerang ichtiar njiar oebar sorangan, ari kitoe mah sakalieun panjakit biasa, tjaraning: moeriang, batoek, koerap djeung sapapadana.

Saha² anoe noeroetkeun papatah doktor, beunang disĕboetkeun geus ngarti kana kapĕrloean dina hiroepna, karana kasehatan badan teh ngadatangkan kasĕnangan.


43. RADEN AJOE POEDJANINGRAT

Djoeragan AJOE POEDJANINGRAT garwa-padmi Kangdjĕng ADIPATI SOETADININGRAT, Boepati Serang marhoem.

Ajeuna andjeunna geus joeswa 95 tahoen leuwih, tapi masih gĕtol keneh bae kana didamĕl, soemawonna hal ngoeroes djeung ngabĕrĕsihan parabot boemi, eta kalangĕnanana ti keurna anom keneh. Basa andjeunna masih keneh linggih di kaboepaten, meh oenggal boelan bae atoeran mĕrĕnahkeunana parabot boemi dirobah, sarta pantĕs bae, da iasa tea mapantĕsna djeung mapaesna. Andjeunna kagoengan hidji panganggo noe tatjan ilahar di oerang Priboemi, nja eta bĕrseka katjida, ahli bĕbĕrĕsih; boemi katoet parabotna pantjaraken, nja kitoe deui pakarangan teu beunang plisan aja kotor-kotor. Ngatoerna boeboeleudan anoe dipĕlakan roepa² kĕmbang, ngatoer pot di pajoen djeung di pakarangan, kabeh beres djeung pantĕs, djadi pamoedjian bangsa Eropa. Andjeunna iasa natamoe djeung sĕnĕng deuih kana natamoe teh. Pasosore sok loba toean², njonja² djeung nona² anoe aramĕngan ka kaboepaten, maen cricket djeung salianna, nĕpi ka rea anoe taroenangan sarta tĕroes datang ka ngadjodona.

Nĕpi ka ajeuna, sakitoe geus sĕpoehna teh, andjeunna masih keneh bae sok didamĕl koe andjeun, ngatoer djeung ngoeroes kĕkĕmbangan tara ngandĕlkeun ka rentjang bae, nja kitoe deui njiramna mindĕng sok koe andjeun; kawasna geus teu iasa bae nganggoer teh, da boektina taja pisan tjalikna, aja bae anoe [ 240 ]dipidamĕl teh; sagoegah koelĕm tĕroes bae didamĕl: njiram kĕmbang tea, ngabĕrĕsihan pantjaraken (meubel), ngabĕrĕsihan piring djeung gĕlas tea, atawa salian ti eta. Loembrahna bangsa oerang mah, soemawonna di pikampoengan, dalah di kapala oge, ngoembah piring atawa gĕlas teh sok koe lĕboe; djoeragan Ajoe mah salilana oge koe saboen bae.

Ari eta djoeragan AJOE POEDJANINGRAT teh toeroenan menak Bantĕn estoe:

Ramana djĕnĕnganana Toebagoes MAHMOED, Toebagoes MAHMOED poetra Toebagoes ARIA HASAN, toeroenan Soeltan MA'ALI AHMAD. Toebagoes ARIA HASAN kagoengan geureuha ka Ratoe FATIMAH poetrana Pangeran DJAJA KOESOEMANINGRAT, poetrana Soeltan DJAEN'OESSALIHIN, anoe katĕlah Soeltan Agoeng Kasĕmen tea.

Dĕmi ti iboe toeroenan ti Soeltan ABOENASIR ABDOELKAHAR, anoe katĕlah Soeltan Hadji.


44. DANGDANGGOELA LAOET KIDOEL.[8]

Laoet kidoel kabeh katingali,
Ngĕmbat paoel kawas dina gambar,
Ari ret ka tĕbeh kaler,
Batawi ngaroenggoenoek,
Laoetna mah teu katingali,
Oekoer lĕbah-lĕbahna,
Sĕmoe biroe,
Ari ret ka kaler-wetan,
Goenoeng Gĕde djiga noe ngadjakan balik,
Meh bae kapioehan.

Matak waas patjampoer djeung sĕdih,
Goenoeng-goenoeng kabeh narembongan,
Goenoeng Pangrango ngadjogo,
Bangoen noe diharoedoem,
Ngadagoan noe tatjan soemping,
Njĕri doemeh ditilar,
Mani aloem ngoejoeng,
Ngoejoeng woejoeng karoengroengan,
Ngan didjieun Pangrango tjitjiren nagri,
Nagara Padjadjaran,

[ Gb8 ]

Raden Ajoe POEDJANINGRAT.

[ 241 ]

Padjadjaran tilas Siliwangi,
Wawangina noe kari ajeuna,
Ajeuna nja dajeuh Bogor,
Batoetoelisna kantoen,
Kantoen ifwoeng djaradi pikir,
Mikir noe disadana,
Hanteu soeroed liwoeng,
Teuteuleuman kokodjajan,
Di Tjiliwoeng noendjang ngidoel Siliwangi,
Noeoes di Pamojanan.


Pamojanan djadi těpiswiring,
Dajeuh maneuh nagara baheula,
Tjirina nja Goenoeng Gěde,
Kiwari nja Tjiandjoer,
Kaler-wetan sadjadjar deui,
Djiga Goenoeng Mandala,
Mandalana hajoe,
Hajoe soteh hajoe poelang,
Langlang-lingling dina loehoer mega miring,
Njangsang di mega malang.


Reg ngaranděg lěbah Goenoeng Poetri,
Děmahdoehoer dajeuh Pantjatengah,
Direret ngabengbreng koneng,
Goenoeng Tjoepoe ngarioeng,
Kawas anoe eukeur badami,
Rawang sagala herang,
Parongpong ka Bandoeng,
Boerangrang noe ngarangrangan,
Parahoena nangkoeb něpi ka kiwari,
Teu djadi lalajaran.


Ngan didjieun tjiri toenggoel nagri,
Dajeuh Bandoeng sirahna Priangan,
Oeroet noe rek paparahon,
Ngaběndoeng Tjikapoendoeng,
Poendoeng soteh bongan teu djadi,
Teu djadi lalajaran,
Hanteu toeloes ngaloen,
Sang Koeriang kabeurangan,
Sanggoep měndět Tjitaroem toetas sapeuting,
Tjidra tina soebaja.

[ 242 ]

Kiwarina pěrmana ngaboekti,
Patilasan tapak noe baheula,
Djadi basa djadi omong,
Bandoeng heurin koe tangtoeng,
Toenggoel pajoeng indoengna nagri,
Pada hajang ngioehan,
Noe deukeut noe djaoeh,
Loba anoe kapanasan,
Riab loenta anoe ka mana ka měndi,
Tinggal dajeuh maneuhna.


Aja deui anoe katingall,
Matak waas Goenoeng Tampoomas,
Tembong tengtong rawas katon,
Dina soekoena goenoeng,
Aja dajeuh noe katingali,
Dajeuh naon ngaranna,
Dirioeng koe goenoeng.
Goenoeng ti koelon ti wetan,
Sěmoena teh patapan anoe sarakti,
Nawing tjadasna bodas.


Saoer Raden moal salah deul,
Noe katembong dajeuhna Soemědang,
Koetamaja hedjo-lemok,
Dajeuh galoedra ngoepoek,
Pangoepoekan poetra djeung poetrl,
Soemdang sokawajana,
Tjarek sindir pantoen,
Sok ngawoela ka wajahna,
Ngapak ngapoeng kapindingan indoengpeuting.
Kalanat mega bodas.


Kari itoe noe sahidji deui,
Tembong katon djeg Goenoeng Tjirěmaj,
Tajohna dajeuh Tjirebon,
Rěboen-rěboen halimoen,
Samar-samar noe katingall,
Tjirěbon saka domas,
Djatining rahajoe,
Tilas patjarěmanana,
Ngaloehoeran rěnting sagěde papanting,
Rentang tjara bangbara.

[ 243 ]

Mipir-mipir dina katoembiri,
Mapaj njoekang dina kilat pandjang,
Awor dina mega hedjo,
Goenoeng patingparěntoel,
Pasir-pasir di sakoerlling,
Tembong ti mega malang,
Kabeh mere sěmoe,
Sagara mangoendjar-ngoendjar,
Anoe ngapoeng soemiriwik batan walik,
Djeg heulang pateuh djangdjang.


Soemiriwing angin ngahariring,
Raranděgan Raden pangapoengna,
Ngadongdon noe kapiomong,
Naloetoer noe katjatoer,
Ngilik-ngilik geusan keur ngantjik,
Anggang 'mo boeroeng datang,
Djaoeh wande tjoendoek,
Tembong daoen kalapana,
Tingaroelang oesik katěbak koe angin,
Dajeuh di Padjadjaran.


Kidoel-wetan katingali deul,
Rěměng-rěměng djeg Goenoeng Tjikoeraj,
Ngadaweung sěmoe noe ngantos,
Tjitjiren dajeuh Garoet,
Pangiroetan ka noe teu soemping,
Soemping oeroet patoeraj,
Ngamanggoengan loengsoer,
Nagara di pameungpeukan,
Leuleuf eureun ningall ka Kandangwěsi,
Bongan Galoeh kabandan.


Saoer Dewi geuning aja deui,
Teu kabilang keur di mega malang,
Nembongan kawas noe ambon,
Horeng Goenoeng Galoenggoeng,
Patilasan Galoeh noe moelih,
Soeka kari doekana,
Poerana di pajoen,
Kahalangan koe Tjiwoelan,
Rěg ngaranděg kairid koe Tjimawati,
Loejoeh-lajah keusikna.

[ 246 ]

Panggoejangan panggoejangan koering,
Panggoejangan panggoejangan oerang,
Oerang noe keur ngalalakon,
Lalakon noe keur ngaloen,
Pada-pada boga pamanggih,
Pada boga tjarita,
Pada boga galoer;
Gok amprok djeung sasamana,
Mararantoen aja noe pait noe amis,
Baralik kari ngaran.


45. R. A. ARIA KOESOEMA DI NINGRAT.

Kangdjeng Raden Adipat! Aria KOESOEMA DI NINGRAT, Bopati Tjiamis marhoem, anoe koe oerang Tjiamis katělah Kangdjěng Preboe, atawa Kangdjěng Sawěrègi; kenging noegraha R. O. N. L., G. M. ajeung G. S. Awit djoeměněng Bopati dina tahoen 1839, gadjihna ƒ 500.

Dina djaman harita teu atjan aja iskola, andjeunna saaja-aja dladjar di boemi bae.

Di tahoen 1828, nja eta dina joeswa 17 tahoen, harita djěněnganana Raden DJAJANAGARA, mimiti andjeunna njěpěng daměl Goepěrněmen, djadi Djoeroeroelis-Kaboepaten Galoeh, kenging gadjih ƒ 10. Salian ti ngadjalankeun kadjoeroetoelisan, andjeunna ngabantoe ngoeroes ngadaměl pabrik-nila di Tjiamis 6 bak, Pandjaloe 1 bak, Kawali 3 bak djeung di Rantjah 2 bak.

Dina boelan Januari 1831 diangkat kana Lekman de, Komandan pěrdjoerit afdeeling Galoeh, hěnteu kenging gadjih, ngan dipaparin bawah 12 baoe sarta teu kědah majar padjěg.

Koe bisloelt Goepěrněmen 16 Mei 1831 No. 1 dilirenkeun (honorable ontslaan) opat boelan lilana.

Koe bisloeit Kangdjěng Toean Besar Goepěrnoer-Djendral 25 September 1831 No. 1 didjoengdjoeng kana Hoofd Gecommiteerde kěbon taroem di afdeeling Galoeh, sarta dipaparin gělaran Toeměnggoeng, djadi Raden Toemenggoeng DJAJANAGARA, kenging gadjih ƒ 75. Dina tahoen 1835 andjeunna ditimbalan ngadaměl 3 pabrik-nila.

Koe bisloeit Kangdjěng Toean Běsar Goepěrnoer-Djendral 27 December 1837 gěntos djěněngan Raden Toemenggoeng KOESOEMA DI NATA.

Koe bisloeit Kangdjeng Toean Besar Goepěrnoer-Djendral 9 Maart 1839 didjoengdjoeng kana Bopati Galoeh, kenging gadjih ƒ 500; dina tahoen eta keneh andjeunna midaměl solokan Goedawang sarta moeka sawah legana 2640 baoe [ Gb9 ]

R. A. ARIA KOESOEMA DI NINGRAT,

Kangdjeng Dalem Tjiamis marhoem.

[ 248 ]Di tahoen 1842 ngadamĕl deui solokan Tandjoengmangoe; tahoen 1844 solokan Tjikatomas djeung Tjimandala djeung seer-seerna.

Koe bisloeit Kangdjĕng Toean Bĕsar Minister van Staat 9 De­cember 1847 No. 3, dipaparin noegraha gëlaran ARIA djadi Raden Toemĕnggoeng Aria KOESOEMA DI NATA.

Dina tahoen 1848 andjeunna njarëngan midamël 3 panggilingan kopi, anoe disĕboet Brazilianchkoffie bereiding.

Tahoen 1849 midamĕl djalan-gĕde ti Goenoeng Tjandana, distrik Pandjaloe ka distrik Kawali tëroes parat ka distrik Bandjar (Priangan).

Koe bisloeit Kangdjĕng Toean Bĕsar Minister van Staat 7 Mei 1849 No. 2 ditambah gadjihna ƒ 100, djadi ƒ 600.

Koe bisloeit Kangdjĕng Toean Bĕsar Minister van Staat 10 Mei 1851, La 1.1, dipasihan noegraha gĕlar ADIPATI, disĕboet Raden Adipati Aria KOESOEMA DI NATA.

Koe bisloeit Kangdjĕng Toean Bĕsar Minister van Staat 28 Au­gustus 1851 La 1.1, gĕntos djĕnĕngan KOESOEMA DI NINGRAT, disĕboet Raden Adipati Aria KOESOEMA DI NINGRAT.

Koe bisloeit Kangdjĕng Toean Bĕsar Goepèrnoer-Djendral 28 Januari 1855 ditimbalan ngawoeroek doea. Pangeran poetra Soeltan Sambas, nja eta Pangeran SAPIJOEDIN djeung Pangeran SARIPOEDIN, noe ajeuna djoemĕnĕng Soeltan di Sambas.

Di tahoen 1862 midamĕl solokan Tjihampaloeng (Mangoendiredja) di distrik Rantjah, sarta moeka sawah lĕgana 2400 baoe.

Koe bisloeit Kangdjĕng Toean Bĕsar Goepĕrnoer-Djendral 20 April 1865 No. 15, dipasihan noegraha Madali Emas katoet rantajna Emas.

Koe bisloeit Goepĕrnĕmen 1 October 1867 ditambah gadjihna ƒ 500, djadi ƒ 1100 .

Di tahoen 1871 ditimbalan deui ngawoeroek doea Pangeran ti Djalle of Matan, Pontianak, nja eta Pangeran HIDAJAT djuung Pangeran TAMDJID.

Koe bisloeit Kangdjĕng Toean Bĕsar Goepĕrnoer-Djendral 6 Februari 1874 No. 1, dipasihan noegraha Pajoeng-Koening.

Koe bisloeit Sri Maharadja 18 Februari 1878 No. 7, dipasihan noegraha Ridder Orde van den Nederlandschen Leeuw.

Dina tahoen 1886 wapat dina joeswa 72 tahoen.

Djadi liliana ngasta damĕl Goepĕrnĕmen 55 tahoen.

Tina hal pĕtana ngeujeuk nagara, nja kitoe deui hal kagètolanana djeung binangkitna ngasta damĕl ngamadjoekeun abdi-abdi, istoe mashoer pisan.

Salian ti ahli didamĕl, andjeunna loba kaoeningana hal basa. Loba pisan pangagoeng Eropa anoe hemĕng manahna ningali andjeunna iasa basa Walanda, toer hĕnteu sakola teu naon. estoe ngan koe [ 249 ]
kaleukeunanana bae djadjar maos boekoe-boekoe djeung soerat kabar Walanda digendeng koe woordenboek. Salian ti iasa basa Walanda, andjeun a tingali oge basa Parasman saeutik-eutikeun. Loba bangsa Eropa anoe sasaoeran ka andjeunna koe basa Walanda, tapi ari andjeunna mah sok ngawalon koe Malajoe bae. Tina kapintĕranana. loba pangangoeng Walanda anoe malaparin tawissotja ka andjeunna roepa2 barang anoe araneh djeung marahal hargana.

Dina tahoen 1888 Toean Mr. H. D. LEVIJSSOBU NORMAN, rengrengan Kamĕr di nagri Walanda geus ngarang hidji boekoe, anoe njarioskeun oge hal jasana djeung kasatiaan andjeunna ka Goepĕrnĕmen.

Kira pidoea-tahoeneun deui kana wapat, andjeunna ngadamĕl makam anoe santosa katjida, ngaranna Goenoeng Sirnajasa.

Keurna djoemĕnĕng keneh. sanggeus kabopaten roeboeh koe angin, andjeunna boemen2 di Sĕlagangga, pĕrnahna sakidoeleun kabopaten. djaoehna kira2 saparapat pal. Pĕta-pĕtana eta. boemi, panggoeng sarta gĕbjog kabeh; ti pajoen dikarantjang koe oekiran. Sagala anoe aja di boemi djeung di pakarangan, boh pĕpĕlakanana atawa saoeng-saoeng djeung lianna ti eta, kabeh aja hartlna djadi pĕrlambang. Malah andjeunna midamĕl kĕlir koe kai dioekir; dina eta kĕlir kabeh noegraha ti Goepĕrnĕmen djeung sakabeh tawissotja ti para pangagoeng diajakeun.

Andjeunna ngadamĕl patamanan, dlsĕboetna Djambansari, paranti kĕmpĕlan djeung sëpoeh2 dina oenggal poĕ Ahad isoek2; di dinja aja papan anoe ditoelisan tëmbang kinanti:

Djamban tinakdir Jang Agoeng,
Tjaina tamba panjakit,
Amal djariah kaoela,
Bopàti Galoeh Tjiamis,
Arja Koesoema di Ningrat.
Medali Mas, Pajoeng-Koening.

Ari ajeuna gĕdong Sĕlagangga djeung Djambansari tea, geus roentag, ngan kari tilas-tilasna bae.



46. TJADOE ATAWA BOEJOET.

Djaman ajeuna hĕnteu pati loba menak2 Soenda anoe roemawat sarta goemati kana kasoesastran Soenda, soemawonna bangsa nonoman anoe ariasa basa Walanda mah, arang langka pisan anoe rĕsĕp ngoelik basana teh. Ari djaman kapoengkoer mah loba pisan para bopati djeung menak-menak, anoe kĕrĕsa ngaroelik kasoesastran , ngadji djinisna basa, ngadjoedjoet galoerna tĕmboeng, awas waspada kana kasoendaanana.

- 248 -
[ Gb10 ]
[ 249 ]Djaman harita loba para bopati anoe kĕrĕsa njĕratkeun pamândakna koe basa Soenda, malah rea anoe tĕroes dikintoenkeun ka Bataviaasch Genootschan van kunsten en wetenschapen. Sapĕrti Kangdjĕng Dalĕm Aria KOESOEMA DI NINGRAT, Bopati Tjiamis anoe marhoem anoe katjĕloek bangkit tea, geus ngintoenkeun karangan hal Tadoe djeung boejoet ka genootschap. Eusina eta karangan loba anoe hade dikanjahokeun koe oerang Soenda. Koe sabab eta ieu di handap dltoeliskeun; sarta basana hĕnteu aja anoe dirobah, ditoeroet sakoemaha asalna.

1.

Tjadoe dahar laoek moending boele. Oerang desa Banaraga, noe asal desa eta, geus prah rea noe boejoet dahar laoek moending boele. Asal-asalna diterangkeun koe aki Badjra Koesemah: Praboe Tadji Malela keurna orok ditinggalkeun di dajeuh, kadatangan moesoeh sedjen, sakabeh djalma, awewe lalaki, boebar pada moeboes. Bawaning goegoep loempat ti lĕmboer, rasana ngais orok; barang datang ka leuweung. horeng noe diais teh loeloempang. Kira2 meunang 2—3 peuting pada maroelang ka dajeuh: orok geus teu kasampak, dipagarkeun dibawa koe moesoeh. Lawas2 eta orok kapanggih ti leuweung, keur disoesoean koe moending boele, Ti watĕs harita toeroenan eta nĕpi ka ajeuna tjadoe dahar laoek moending boele, kitoe deui mĕrgasa atawa meuntjit.

2.

Tjadoe ngingoe manoek titiran. Tjarita Aki Djamaroen. Oerang desa Sadananja aja noe boejoet tjadoe ngingoe titiran. Asalna bogoh ngala titiran. dipake kasab didjoealan. Ari pakakasna toeloep. Eta djalma panonna petjak sabeulah. Dina sahidji waktoe ngadodoho manoek titiran dina kai, rek ditoeloep, eta djalma tatanggahan diisingan manoek titiran. Tai titiran ringgang kana panonna noe petjak; eta panon djadi beunta sarta awas. Ti dinja moelang; datang ka imah ragrag saoer, sakoer anak2 poetoe ti watĕs ajeuna oelah rek mĕrgasa titiran.

3.

Tjadoe mĕlak djeung dahar handjĕli djeung ĕmbe hideung. Tjarita Aki Soerawidjaja. Asal-asalna djaman masih dahar handjĕli karoehoenna, kaitoeng kaja, ngaleuitan handjëli. Dina sahidji waktoe istrina ka leuit, koe sabab adatna handjĕli tea lesang, barang ditintjak handjĕlina miléj, djalmana

- 249 -
[ 250 ]
tilĕlĕp kakoeboer koe handjĕli datang ka paeh. Lila teu kapangglh, rek waktoena ka leuit taja noe nganjahoankeun, Gehger leungiteun istri, kapanggih koe ĕmbe hideung ti kolong leuit, diletakan gĕtihna. Barang dioedoelkeun handjĕlina ti leuit beh kapanggih istrina geus paeh. Ti dinja ragrag saoer tjadoe dahar handjĕli djeung laoek ĕmbe hideung.

4.

Tjadoe dahar laoek loebang. Oerang desa Panjingkiran rea noe tjadoe dahar loebang. Asal-asalna baheula karoehoenna dibĕlĕdig moesoeh, kapĕgat koe tjai gëde, soesah teu bisa meuntas. Teu koengsi lila beh tembong aja tjoekangan sarta gĕde, saroea djeung tangkal kalapa; seug dipake njoekang koe sarerea.

Keur njaroekang tjoekangna tembong tetela jen loebang gĕde. Barĕng moesoeh datang ka sisi tjai, toekangna teu tembong. Ragrag saoer tjadoe dahar sarta mĕrgasa loebang.

5.

Tjadoe diarakkeun keur waktoe dikarijakeun. Toeroenan Pasirpandjang, kaboepaten Soekapoera. Asal tina karoeroehoenna ngawinkeun poetrana dirame-rame sakoemaha adat noe ngarendengkeun. Dina poëan rendengan eta poetrana diarakkeun; nganggo toetoenggangan, dihade-hade diembrang-embrang. Barĕng keur diidĕrkeun di aloen-aloen toetoengganganana disambĕr gĕlap, panganten noe nitih an toetoenggangan doeanana babar pisan paeh. Satoengtoengna ngoeroes majitt, iboena kagoengan saoer, satoeroen-toeroen andjeunna noe dikariakeun oelah diarakkeun.

6.

Tjadoe ngala kĕmbang kananga. Di desa Leuwihalang aja noe tjadoe ngala kĕmbang kananga. Asalna karoehoenna boga hidji anak lalaki rek disoendatan. Geus moegoehkeun poë, eta boedak noe rek disoendatan naek kana tangkal kananga, ragrag babar pisan. Ti dinja indoeng bapana boga omong satoeroenan manehna tjadoe naek kana tangkal kananga.

7.

Tjadoe boga bokor perak, kĕris saboek intĕn, karembong tjinde, tjongjot, sangoe beureum. Toeroenan pasirpandjang bawah Soekapoera: karoehoenna kaitoeng kaja boga hadjat ngawinkeun sarta toeloej diistrenan koe noe djadi

- 250 -
[ 251 ]
gĕgĕden dajeuh. Sameuntas istrenan, koempoelan para sĕpoeh2 sakadang-warga sarta mawa katoeangan miwah sangoe sapiambĕk-sapiambĕkna. Barĕng saderekna panganten noe diistrenan diboeka toempĕngna sangoe beureum. lahiran panganten: Eh! kakang horeng beureum! Manahna rakana miarsa saoer kitoe indit narik doehoeng saboek intĕn panganten indit deui, barang ngalengkah tikaridjĕt koe beulitan tjinde, nintjak boker perak, tisoledat, gédĕbloeg roeboeh, toeloej ditoejoeng koe rakana ditĕwĕk koe kĕris saboek intĕn, babar pisan paeh. Sameuntas gehger ngoeroes majit, ramana njaoer toeroen tjadoe boga bokor perak satjara sabatoerna tadi.

8.

Tjadoe njieun sara boga imah panggoeng. Toeroenan desa Tjibodas-hilir. Awit ti kiai Toemĕnggoèng Wiranangga; waktoe djadi wakil bopati Tjiamis. Moelih seba ti Mataram, dibahanan koe Soeltan hidji piagĕm angkatan bopati Banagara sarta diwakilan ngadawoehkeun ka para abdi Banagara noedoehkeun noe djadi bopati gĕbrahkeun piagĕm angkatanana. Barĕng datang ka boemi panggoeng, piagĕm digĕntos oengĕlna, andjeunna noe djoemĕnĕng bopati. Kalampah geus didawoehkeun, oengĕling piagĕm pada miarsa jen andjeunna noe djoemĕnĕng bopati di Bana­gara. Lila-lila piagĕm noe estoe ti Mataram ragrag ka kolong boemi kapanggih koe noe toegoer; oerang Banagara, ngaran aki Pawindon. Barĕng geus nĕpi ka oesoemna diganti. aki Pawindon balik tina patoegoeran, soerat noe timoe ti kolong dibawa dibikeun ka noe boga, nja noe diangkat Raden Pandji Aria Djajanagara .

Bral angkat ka Mataram, dipihatoer ka Soeltan tindakna kiai Toemĕnggoeng Wiranangga, dina waktoe seba pĕpĕkan prabopati, dipariksa katranganana katoeran kiai Toemĕnggoeng Wiranangga masih palsoe. reh Roden Pandji Aria Dajanagara teu katingalieun, sĕbab diboenikeun koe Pangeran Panĕmbahan. Ti dinja Toemĕnggoeng Wiranangga rek dihoekoem pati. disoehoenkeun keur(') boepati Banagara, kapasihkeun.

Sasoempingna ti Mataram kiai Toemĕnggoeng Wiranangga rag­rag saoer, satoeroenan andjeunna tjadoe kagoengan imah panggoeng.

9.

Tjadoe ngingoe koeda dawoek-bang sarta make apoes kadali kanteh beureum. Asal ti Sang Adipati Panaekan, boepati Galoeh waktoena dibradjag koe mĕrtoeana, pra-




(') Koedoe koe soeroepna mah, sanes keur Poeradiredja.
- 251 -
[ 252 ]
boe di Moentoer nitihan koeda dawoek-bang, make apoes kadali kanteh beureum. Noe matak dibradjag, margi dipitěnah koe garwa, nami Njai Mas Nataboemi, nja eta poetrana Praboe di Moentoer, noe dipigarwa koe Sang Dipati Pamoekan. Ti dinja ramana Praboe di Galoeh Tjipta Pěrmana kagoengan saoer, tjadoe kagoengan koeda dawoek-bang sarta kadali apoes kanteh beureum.

10.

Tjadoe mělak pare beureum, dahar mah hade. Oerang desa Sadananja aja noe tjadoe mělak pare beureum. Adal-asalna karoehoenna boga anak awewe geulis, kawěntarkeun ka nagara. Rek disělir koe Ratoe, si boedak teu daekeun, dipaksa koe piwarangan. Si boedak loempat ka hoema diteangan koe indoeng-bapana sarta piwarangan, wěleh teu kapanggih. Bapana dibawa koe piwarangan dihatoerkeun ka Ratoe magar moenikeun anakna, toeloej diberok. Saoetjoelna tina siksaan moelang ka lěmboer, anakna kasampak geus datang, ditanja: Njamoeni ti mana? Omongna: Njamoeni dina pare beureum „ongkoh bapa ge kadeulen koe kaoela tingkaroreh neangan di dinja!” Bapanan ragrag omong: „Ajeuna satoeroen-toeroen aing oelah deui mělak pare beureum dene si matak diares.

11.

Boejoet ninoen kasang. Toeroenan Tjibodas, Tjiamis, Asal karoehoenna istri binangkit sangkir ngeujeuk. Dina hidji waktoe tjarogena angkat djaoeh, arina soemping kasampak istrinan keur ninoen kasang. Dina piseureungan aja soerat ngagoler, ditěrka soerat bobogohan. Teu dipariksa deui, tjarogenan kaboeroe napsoe, noe keur ninoen djědak ditěwěk, babar pisan. Ari geus reureuh napsoe, soerat dibatja, horeng soerat ti andjeunna oengěl soemono. Ti dinja anjeunna ragrag saoer, satoeroenan oelah rek ninoen kasang.

12.

Tjadoe make tangkal kalapa. Aja hidji djalma ngaran Mastal, imah-imah di desa Tjikoneng, tjadoe make tangkal kalapa. Kawit baheulana pakolotanana boga hidji anak lalaki leutik, keur sila di bale, tihang pangkal kalapa eunjeuh. anakna naradjang ka bapana, aja sahidji peso ngagoler keuna ka boedak, katoeblěs těngah leungeunna, babar pisan paeh. Ditoeloengan koe doeloerna, eta doeloerna katjogek koe haroepat kalapa, babar pisan paeh. Ti dinja bapana ragrag omong, tjadoe boga imah bale tihangan kalapa.

- 252 -
[ 253 ]

113.

Tjadoe noear tangkal kondang sarta njatoe boeahna. Aja hidji djalma ngaran Karsiah. imah-imah di desa Tjikoneng, tjadoe noear tangkal kondang sarta njatoe boeahna. Kawit lampah pakolotanana baheula djaman pëpërang moeboes ka leuweung kana doengoes, aja tangkal kondang, njalindoeng kuna tangkal kondang gĕde, diteangan koe brandal teu kapanggih. brandalna leumpang djaoeh tina tangkal kondang. Balik ka imahna. Ti dinja ngoempoelkeun batoer-batoerna menta disaksian tjadoe noear tangkal kondang sarta njatoe boeahna.

14.

Tjadoe njatoe djengkol. Sahidji djalma ngaran Nangga, imah-imah di Tjikoneng, tjadoe njatoe djengkol. Kawit lampah pakolotanana baheula boga anak hidji, beuki pisan djengkol, toeloej ngala djengkol di leuweung. Sanggeusing ngala djengkol, dihandapeunana njatoean djengkol, gantjangna djengkoleun sampe paeh. Diteangan koe bapana kapanggih handapeun tangkal djengkol geus paeh, toeloej dibawa ka imahna, balik dioeroeskeun majitna. ti dinja bapana ragrag omong, satoeroen-toeroenan manehna tjadoe njatoe djengkol,

{c|15.}}

Tjadoe njatoe laoek lele sarta koeloer. Sahidji djalma ngaran Amboe Baros, imah-imah di Tjikoneng tjadoe njatoe laoek lele sarta koeloer. Kawit lampah pakolotanana baheula djaman pĕpĕrang maroeboes ka leuweung ka noe bala: di noe bala aja tangkal koeloer sarta di handapna aja tjaloebakna tjai. Maneh­na naek kana tangkal koeloer tjitjing dina dahanna di loehoer. diboeroe brandal datang kana tjaloebakna, manggih lele keur ngoemls. Eta brandal kapĕgat koe laoek. toeloej maroeloengan laoek, geus maroeloengan, toeloej baroedal. Sanggeus boedal brandal manehna toeroen ka handap ballk ka imahna. Ti dinja manehna ragrag omong menta saksi, tjadoe njatoe lele sarta boeah koeloer.

16.

Tjadoe ngokos atawa nĕda hoeloe hajam. Aja hidji djalma ngaran Asklam, imah-imah di Tjikoneng, tjadoe njatoe hoeloe hajam. Kawit lampah pakolotanana nikahkeun anakna. datang ti masigit ngarioeng sidĕkah dalahar. Panganten lalaki njoren kéris brodjol ngarendeng djeung panganten istri, katema

- 253 -
[ 254 ]
ngarendeng koe adina panganten istri; kabeukina hoeloe hajam, geuwat dlpinggĕskeun hoeloe hajam teh, pek dikokos sampe boetjat; polo njorot ka soegoe atjeukna panganten istri, toeloej disoesoet koe sikoe adina, geus kitoe panganten lalaki njaboet kĕris toeloej ditĕwĕk keuna ka adina sampe paeh. Ti dinja manehna ngahoelĕng, toeloej bae nĕwĕk rnaneh, geus ngalondjor tiloe majit. Ti dinja ramana ngalahlr menta disaksian, satoeroen-toeroen andjeunna tjadoe ngokos hoeloe hajam.

17.

Tjadoe paparahoean. Sahidji djalma Asnawi, imah-imah di Tjikoneng, tjadoe toempak parahoe. Kawit lampah pakolotanana, baheula dibawa koe hadjo, dibawa ka tĕngah sagara. Bawaning koe teu bĕtah, ti dinja mikir, gantjangna kaloear tina parahoe, manggih sahidji kai noe dipake djalan minggat sampe blsa handjat ka darat; toeloej gantjang balik ka imah; sadatang balik ka imah, menta disaksian, satoeroen-toeroen kaoela tjadoe paparahoean.

18.

Tjadoe njandoeng. Sahidji djalma ngaran Raksa Widjaja, koewoe Wanasigra, tjadoe njandoeng. Kawit lampah pakolotanana baheula njandoeng djadi karoeksakan, sarta barang beak, awak oge teu walagri. Ti dinja dipitjeun, tinggal hidji, karasa kakara slamĕt, toeloej bae menta disaksian, satoeroen-toeroen manehna tjadoe njandoeng.

19.

Tjadoe make samping barong. Sahidji djalma ngaran Lamdji, imah-imah di desa Tjikoneng, tjadoe samping batik barong. Kawit lampah pakolotanana, baheula djaman pĕpĕrang taaroeng djeung brandal, kagoebĕd koe samping barong teu koengsi paeh bisa keneh hiroep. Geus tjageur kaloear kasaoeran menta disaksian, watës ajeuna tjadoe make samping barong satoeroen-toeroenanana.

20.

Boejoet nĕda laoek mĕntjĕk. Sahidji djalma ngaran Bapa Ipoel, imah-imah di Tjikoneng, boejoet nëda laoek mëntjëk. Kawit pakolotanana baheula djaman pëpërang moeboes k a leuweung ka noe bala. Diboeroe koe brandal, ti noe bala bidjil hidji mĕntjĕk. tjek brandal: „Moal aja djalmaan, denesi aja kidang bidjlil”. Bran-

- 254 -
[ 255 ]dal toeleoj baralik deui. Ti dinja baridjil tina doengoes, balik ka imahna menta disaksian satoeroenan manehna tjadoe nĕda laoek mĕntjĕk.


47. AKSARA W.

Di Nagri Walanda aja hidji goeroe anoe mashoer kabina-bina kapintĕranana hal ngatik boedak, sasaoer-saoerna ditaroeroet pisan koe soegri anoe narĕda timbangan ka andjeunna hal ngatik boedak. Sarta lain saeutik iboe-rama anoe saroemping ka andjeunna, nĕda nasehatna hal ngoeroes poetrana. Malah Kangdjĕng Radja pisan mariksakeun ka eta goeroe, koedoe koemaha Ratoe Poetri Juliana diatikna.

Saha atoeh anoe tatjan naringali bentang?

Tangtos sadaja oge parantos.

Nja kitoe deui sadaja anoe bĕrëlmoe tangtos aroeningaeun ka JAN LIGTHART. Tah, sakitoe kamashoeranana djĕnĕnganana, eta toean teh.

Goeroe anoe ditjaritakeun tadi di loehoér teh, nja eta toean JAN LIGTHART tea.

Andjeunna geus njarioskeun hidji kadjadian anoe teu sapira, istoe hal sapopoë pisan; tapi moenggoeh keur anoe arahli tapakoer, soemawonna keur noe djadi iboe djeung rama, anoe rĕsĕp ngatik poetrana, nja eta anoe aroeningaeun jen di boedak teh aja bibit gaib anoe goemilang .......... bibit kamoeljaan manoesa, bibit anoe koedoe disiram dibajoean koe kolot, pambrih ......... djadi rahardjaning djagat, — tah keur pantar kitoe mah, eta lalakon aneh kabina-bina.

Kieu tjariosanana eta toean:

Dina hidji mangsa, sakabeh djĕiĕma, sarerea pada ka darajeuh. Ti soeklakna ti sikloekna, ti tĕriswiring mani mĕroel ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut, ngĕmbat2 njatang-pinang, lir oepama tjai bandjir noe ngotjor ka kota, ngeujeumbeu ngaliwat sasak djeung djalan-gĕde ngoempoel k a poeseur dajeuh, toeloej ngalioeh tjara poelĕkan leuwi.

Beuki deukeut oerang ka dajeuh, djalma beuki nojek, toengtoengna djog andjog ka poeseur dajeuh, ka aloen-aloen boeleud, mani oetĕj djĕlĕma padĕsĕk pasĕdĕk-sĕdĕk, ngoempoel pageje djadi gandoean gĕde, oejĕk taja tjitjingna , reok nĕngah ............. reok njisi. tingaraleut ngarĕj tjara loeloet noe ngagoendoek.

Hirita mĕnĕran aja pesta, dajeuh dipapaesan koe damar-sewoe nĕpi ka baranang siang; ari noe pangaloesna, nja di aloen-aloen tea.

- 255 -
[ 256 ]
djeung di djalan toko-toko anoe make bilik gĕdah ti hareupna, mani mabra.

Djĕlĕma kabeh njalampeurkeun moro tjaang, tjara bakatna siraroe bidjil ti peuting.

Meureun harita ngan koering sorangan anoe sabalikna ti djĕlĕma rea. Sorot anoe tingtjorolot, sinar anoe galoemĕbjar mawoer mantjoer mantja warna, tjahaja anoe tingpalontjorong, eta kabeh, harita hĕnteu matak kasĕngsrĕm, ..... koering leumpang ngan sorangan pisan ngadjaoehan hareudang bajeungjang, watĕk loba djĕlĕma; koering neangan tĕmpat anoe sĕpi soenjaroeri, anoe poëk měděm taja tjahaja, ..... ka kampoeng anoe baloeboeroeh, ..... djaoeh aja di sisi dajeuh.

Harita di dinja leuwih poëk ti sasari. Lian ti lanteran-djalan taja deui tjaang2 . Waroeng djeung toko2 laleutik taja anoe njeungeut damar, sabab nadjan diseungeutan lampoe oge moal aja anoe barangbeuli. Toeroeg2 noe nokona ka darajeuh deuih.

Imah2 hĕnteu aja noe alagreng tjara sasari, istoe tjarakoeeum ajeuna mah, ngan aja hidji-doea anoe djandelana tjelak2 rada tjaraang, meureun nini2 djeung aki2 taraoenggoe imah, hĕnteu ka roeateun ka dajeuh, atawa aja noe gĕring soegan mah.

Rasa hate koering tiis djĕmpling sirna katjida. Lĕbah dieu djĕmpe kabina-bina. Lengkah oge nĕpi ka kadenge koe sorangan, ngitjiplik sada aja noe noetoerkeun. Lĕbah popoëkna pisan koering tanggah ka langit, ..... toeh! mani baranang bentang tingkaritjeup. Na aja aloes langit hideung semoĕ2 biroe ditarapang koe bĕrlian mangjoeta-joeta. Sinarna kalanggĕngan ..... tjaangna bawana njĕnjĕs tiis moenggah njĕrĕsĕp. Ni'mat Allah!.

Toeloej koering mengkol ka djalan-djadjahan. Toeh! beh djaoeh tjelak2 aja damar ..... kawasna aja dalapan atawa salapan! katembong tingkarĕtip. Dipasang dina hareup imah. Damar-sewoe, geuning!

Ieu mah damar-sewoe teh damar-tiiseun, dipasang di sisi djalan sĕpi.

Toeloej koe koering disampeurkeun.

Euleuh, horeng teh aksara W geuning, koe kai ditjet beureum. Ti loehoer make tjĕmpor-bĕling opat, ti tĕngah tiloe, ti handap doea. Djadi kabehna aja salapan. Enja hĕntĕu loba te mah tjĕmporna. tapi hoeroengna araloes, tjaang. Kawoewoeh taja tjaang sedjen anoe ngoengkoelan deuih, da di dinja euweuh lampoe gas atawa listrik. Estoe pangpoendjoelna, .... radjana!

Loehoereun W tea make pĕlĕngkoeng doea koe bandera, sarta dipapaesan koe dangdaoenan, djeung toengtoengna kentja-katoehoe make ditjangreud koe oranje, didasikeun.

Ari handapeun W, - W damar-sewoe tea, deukeut lawang, aja hidji boedak lalaki kira oemoer 10 tahoen, dioek dina korsi: ngan

- 256 -
[ 257 ]
Sorangan pisan di noe sakitoe sĕpina, handapeun damar-sewoe anoe sakitoe tjakoeeumna.

Koering ngarandĕg, ngawsskeun eta damar-sewoe.

Koredjat eta boedak teh tina korsina, tjĕg kana iteuk pandjang. Koleweng! djlëg nangtoeng gigireun koering.

Ret neuleu damar-sewoe tea, ret deui ka koering. Moal boa ngarĕp2 koering ngomong, kawasna bae hajangeun dipoedji damar-sewoena. Koe sabab eta pok koering ngomong: „'Na aja W aloes2 teuing! djeung koe araloes hoeroengna!”

Barang koering geus ngomong kitoe, pok boedak teh tjatjarita, sora boedak noe bentes tea, mentjrang pinoeh koe kasoetjian. ati boedak, ngeunah ni'mat kabina-bina kadengena. Soemawonna keur anoe geus karagoengan poetra mah. Koe koering dirĕgĕpkeun pisan tjarita boedak teh.

Eta W teh, beunangna sorangan dibantoean koe bapana, Mimitina meuli bebekan kai, toeloej disaroegoe koe doeaan, Meunang njoegoe dipotongan noeroet oekoeran; pek dipasang, nja djadi W. Eta W teh gëde pisan, katjiri basa diteundeun dina medja toengtoengna narogag tina sisi medja. „Toeh, geuning sakitoe djangkoengna, meh sami sarĕng koering”.

Aja bangoen noe reueus2 teuing eta boedak neuleu djieunna pribadi, meusmeus ret dideuleu, meusmeus ret dideuleu.

Geura, toeh! mimitina koe manehna ditjet beureum. Toeloej koe bapa diliangan keur tĕmpat ngagantoengkeunana. Ema mangngapoetkeun banderana, koe mĕsin. Itoe dasina, toeh! itoe kentja katoehoe, eta oge beunang ĕma keneh.

..Oedjang!” tjek koering dina hate, na mana bagdja-bagdja teuing, maneh”.

Pasosore tjĕmporna koe bapa ditĕrapkeun, toeloej dîseungeut. Toeh! aja tjaang.

Ari bapa ka mana? Bapa djeung éma ka darajeuh, laladjo raramean. Adina noe awewe oge miloe, Ari manehna mah hĕnteu, tangtoe bae moal miloe. Da keur pinoeh koe kasoekaan. Kamĕgahan koe damar-sewoe djieunna pribadi.

Naha manehna ngan sorangan pisan di imah? Hih, hĕnteu. Nini aja di djĕro, keur gegelehean. Geus kolot pisan. Tapi tadi mah, sore keneh, miloe nilik W tea; nini oge rĕsĕpeun nakĕr. Aloes pisan, tjĕnah.

Eta kabeh koe boedak tea ditjaritakeun ka koerîng. Sabab katendjoĕun koe manehna, jen koering hajang njaho saha noe njieun eta W sakitoe aloesna, djeung miloe rĕsĕp deuih. Pangirana koering teh heran neuleu kaaloesan W -na tea. Teu njahoĕun jen koering rĕsĕp kamanehna, djeung meunang ni'mat ti manehna. Rasana. naon manehna mah? Pilakadar 'ge boe-

17

- 257 -
[ 258 ]
dak! Tapi itoe mah W, leuh aja aloes! Et a toean oge miloe rěsěp!

Barang koering indit ti dinja, balik deui ka kota, manehna nangtoeng keneh bae nilik W-na tea. Tapi ngan sakeudeung, toeloej deui dioek dina korsina deukeut W -n a tea, W anoena, beunang njieunna pribadi dibantoean koe bapa.

Samemeh koering mengkol, koering ngalleuk heula, neuleu W tea. Boedak teu geus teu katembong; tapi damar-sewoena tingtjarela dikoebëng koe poëk djeung sěpI.

Toeloej koering madjoe ka kota. Pikir koering teu lesot2: Naha dina peuting ieu. loba kitoe anoe meunang kaboengahan djeung kani’matan anoe sakitoe lĕlĕbna, hartina tĕgĕs soeka anoe saestoena tjara eta boedak? Kaboengah noe estoe djeung sirna tea ieu mah. Doemeh eta W teh djieunna pribadl, istoenlng anoena, djeung taja anoe ngoengkoelan deuih aloesna, — naha eta teh lain babonna kaboengahan anoe soetji?

Naha atoeh ari oerang bèt sok rea-rea teuing polah! Geuning toengtoengna mah, mindëng pisan kaboengahan hate sok kaasoepan ratjoen koe panastren djeung katjĕdih.

Beuki poëk, beuki poëk ......... anoe njâangan eta djalan sĕpi teh ngan kari lantera bae. Lĕbah popoëkna koering tanggah, bentang baranang di langit. Sungkan njatjas tembongna, ta bentang përloe ja poëk, lir kasoekaan eta boedak noe keur sirna dl noe sĕpi tea.

Mo’ bisa tlnggal pamĕta,
Nadjan ti panggawe njingkir;
Djeung kasampoernan manoesa,
Geus hamo bisa katĕpi,
Moen ngan tatapa noempi,
Toer teu aja anoe loepoet.
Nadjan sakèdep netra,
Tina panggawening diri.
Pamaksaning koedratna manoesa mĕta.


Ngan panggawe moedoe iklas,
Eta ti tapa teh leuwih.
Koe hal eta wadjib mĕta,
Panggawe Iklas noe wĕning,
Noeroet wadjibing lahir.
Sabab noe molah djeung loeloes,
Mĕta tanpa pangarah.
Eta djalan anoe Jakti.
Lĕmpĕng lĕtjĕng andjog kana kasampoernan.

Bhagawat-gita.

- 258 -
[ 259 ]

49. DONGENG-DONGENG NOE ARANEH[9]

a. SASAMBATNA GALATIK.

Doeh manoesa mahloek loehoeng,
Noe pangmoeljana saboemi,
Moega sing njata waspada,
Manoesa djeung manoek sami,
Sasami toenggal kahanan,
Ngan toeměrapna noe lain.

Bět adigoeng koemaloengkoeng.
Ngědirkeun pintěr berboedi,
Angkeuhan gagah-pěrkosa,
Wenang nganiilik saboemi,
Sakarěp sawěnang-wěnang.
Njiksa manoek sato leutik.

Kami teu soeka saestoe.
Teu soeka rasaning ati,
Da oerang papada oemat,
Kagoengan Noe Maha Soetji,
Taja noe moerba wisesa,
Noe kawasa namoeng Goesti.

Allah Anoe Maha Agoeng.
Noe ngajoega pati-hoerip.
Kěrsana kapen kinarja,
Saeusining boemi-langit,
Kabeh teu dibeda-beda,
Nadjan djirim gěde-leutik.

Manoesa tinakdir loehoer,
Leuwih binangkit berboedi,
Poendjoel ti sasama hewan,
Geus komo ti manoek leutik,
Geus tangtoe bae meunangna.
Panalar boedi pamilih.

Nanging poma mangka emoet,
Jen manoesa mahloek leuwih,
Pangaoeban salo-hewan,
Manoek eusi boemi,
Anoe liar njiar hakan,
Matjok sakoer noe kapanggih.

[ 260 ]

Tindak-tandoek noe toemandoek,
Oelah ngan nganteur napsoe dir,
Sakarěp pamawa hawa,
Hawaning panggoda ati,
Masing emoet sato-hewan,
Koedoe njatoe tali-hoerip.

Lamoen djalma neuleu manoek,
Noe eunteup njiar rědjěki,
Oetjla-atilo njlar hakan,
Kěbat bae njokot bědil,
Gagah djeg taja kagila.
Teu aing senapati.

Kawanina ngan ngamoesoeh,
Sato hina manoek leutik,
Komo moen pareng manggihan,
Di sawah manoek keur minit.
Sosoak djeung djoegroeh-djigrah,
Njingsieunan lir běběgig.

Tah polah manoesa kitoe,
Parandene kadjeun teuing,
Dapon ěnja manoek salah,
Mipit pare matak roegi,
Sabab geus kitoe loembrahna,
Anoe goreng dipildjid.

Djalma tělěngěs kalangkoeng,
Euweuh kawělas kaasih,
Manoek hiběr paboerentjaj.
Dikeprokan djeung gěgěbrig,
Ngoeliběng di awang-awang,
Hajang njatoe hěnteu manggih.

Nadjan kami teu panoedjoe,
Tapi kitoe mah kaharti,
Da poegoeh manoek noe salah,
Matak roeksak matak roegi,
Noe tělěngěs saestoe mah,
Njoempit manoek noe teu sisip.

Moen manoesa neuleu manoek,
Noe keur boengah soeka ati,
Doepang-depong lalaoenan,

[ 261 ]Diběběnér ngetjeng soempit,

Noe diarah sěnang-sěnang,

Njahona geus tidjoempalik.


Manoesa kabeh ge hasoed,

Ngan ngarah pati noe leutik,

Ja Allah noe sipat Rahman,

Manoesa hianat teuing,

Njiar akal djeung tarekah,

Karepna ngan djoelig-děngki.


Deudeuh teuing, deudeuh teuing,

Ja Allah, ja Rasoel'oellah,

Geuning ěndog ditjarokot,

Dipalingan koe manoesa,

Dipake kaoelinan,

Teungteuingeun abong poendjoel,

Sok siga naon moen měgar.


Disarada tingtjaritjit,

Heug koe aing dipakanan,

Oenggal poë beuki gěde,

Engkena barisa njaba,

Njiar hakan sorangan,

Dipatjok dibawa, ngapoeng,

Karasa teuing karasa.


Naha kanlaja teuing,

Itoe geuning ditalian,

Soekoena pageuh dipangrod,

Adoeh njawa pileuleujan,

Deudeuh-deudeuh ěmh oedjang,

Takdir maneh kadar indoeng.

Njorang balai mamala.


Doeh Goesti Noe Maha Soetji,

Abdi něda pangampoera,

Sareng moegi mihawatos,

Kěrsa ngabalik manoesi,

Masing gadoeh kawélas,

Welas ka papada mahloek.

Anoe koemělip di doenja.


Goesti henteu klat teuing.

Ningal manoek ditalian,

Hiber teu knoer ditjěntok. [ 262 ]Dikeukeupeul disangsara,

Dipake kaoelinan,

Adoeh itoe moenggah tjingkoed,

Soekoena potong noe kentja.


Manoek maneh montong tjeurik,

Sangga koe sabar tawěkal,

Sanadjan něpi ka paeh,

Poma oelah rek sasambat,

Sing panteng nja paněda,

Giněleng golong ngagoeloeng,

Eninging tingal sanjata.


Dibajoean ati wěning.

Koe tarima djeung nalangsa,

Roemasa djadi panggendeng,

Pasrah kana bardja awak,

Pěrtjaja djadi daja,

Pěrtjaja adil Jang Agoeng,

Kabeh noe toemiba rahmat.


Noe ngarang samboeng pinatoer,

Ka nonoman djalěr-istri,

Larapkeun kana salira,

Sasambaina noe prihatin,

Raoskeun mangka karasa,

Noe laip noe nandang njěri.


Pihatoer rinakit kidoeng,

Koemana rasaning ati,

'Moen oerang anoe njandangna,

Tjatjakan ngan oekoer njanding,

Sakieu soemeredetna,

Paoer linoe lir koe hinis.


Manoesa anoe lindehoeng,

Ingétkeun patjosan lali,

Oelah tjara noe kasasar,

Sasir lir teu boga pikir,

Rasakeun mangka karasa,

Adji sing tatas patitis.


Moegi-moegi nja panoehoen,

Dipaparin noegraha sih,

Laksana maksad noe ngarang,

Nonoman paměgět-istri,

Sing moebjar boedi panalar,

Djadi manoes oetami [ 263 ]b. MAEHAN TJAKTJAK (¹).

Djimin. Di mana bieu tjaktjak teh disadana?
Abdoel. Itoe, toeh! geuning diaa bilik.
Na arek dikoemahakeun koe maneh?
Djimin. Rek ditewak. Arek dibebekkeun soengoetna.
Abdoel. Naha naon pěrěloena? Bět tjaktjak teu salah teu naon koe maneh rek dipaehan.
Djimin. Aja omong bapa, lamoen inanggih jaktjak prö Djoemaah koedoe dibebekkeun soengeelna.
Abdoel. Lamoen ěnja bapa maneh mapatahan kitoe, teu kaharti koe dewek. Bět kawas djělěma bodo. Djeung make milih poë Djoemaah, naon pedahna?
Djimin. Pang kami hajang ngabebekkeun tjaktjak, djeung milih poë Djoemaah, kieu sababna:
Waktoe Kangdjeng Nabi Mochamad dioedag-oedag koe moesoeh, Andjeunna moeboes kana gocha anoe rěmbět pisan. Barang Kangdjeng Nabi geus di djěro, aja lantjah ngadon njieun imah dina lawangna. Teu lila torodjol anoe ngaroedag teh. Kabeh bingoeng, ka mana Kangdjeng Nabi lesna, Aja oge anoe boga pangira, meureun Kangdjeng Nabi asoep kana gotha, tapi dimoestahil-moestahil koe batoerna, pamohalan nepama aja djělěma asoep ka dinja dina lawangna ramatan. Eta ramat djadi tanda, jen taja anoe asoep ka goehn. Toeloej hae moesoeh teh areureun hareupeun goeha ien.
Sabot keur kitoe, aja tjaktjak disada dina loehoereun lawang goeha: pětjak! pětjak tjak tjak!" Kahartina koe moesoeh koedoe ditjoba diasoepan, tangtoe Kangdjeng Nabi di dinja njoempoetna. Tapi barang nareulen lawang goeha sakitone rěmbětna, teu waranieun; toeloej njokot batoe dibaledogkeun ka djěro goeha: nja keuna kana wans Joehoer. Harita Kangdjeng Nabi kapahoeng di djěro goeha meunang pirang lilana teu tocang teu leueut. Barang moesoeh geus hoedal ti dinja, toeloej Andjeunna mědal; kaoeninga koe Andjeunna aja tjaktjak ngensgon di loehoereun lawang goeha, dianggap jen eta tjaktjak anoe noedoehkeun ka moesoeh tea; nja toeloej Andjeunna pěrsapa: „Eh, oemat aing kabeh! lamoen maneh manggih tjaktjak dina poë Djoemaah, koedoe dihebekkeun soengoetna, sabab eta tjaktjak geus njieun doersila ka kami, nja eta noedoehkeun ka moesoeh".

(¹) Asalna tina basa Djawa, karangan Mas Djohari Hardjohatmodjo. [ 264 ]

Tah kitoe tjarita bapa ka kami!

Noe matak ti sěmět harita, lamoen dewek dina poë Djoemaah manggih tjaktjak, sok toeloej ditewak dibebekkeun soengoetna.

Abdoel. Naha bět milih poë Djoemaah?
Djimin. Noe matak koedoe poě Djoemaah, sabab basa Kangajeng Nabi kabaledog waosna tea, poë Djoemaah.
Abdoel. Pikaseurieun eta tjárita teh. Naha maneh teu njaho, kaasoep kana pabohongan omong bapa maneh kitoe teh.

Hadena bae tatjan pek dipaehanana eta tjaktjak teh. Lamoen enggeus, matak karoenja katjida; teu salah teu naon dipaehan.

Djimin. Baroek pabohongan? Bohong koemaha, 'Doel? Kapan dosana tetela, noedoehkeun ka moesoeh.
Abdoel. Oelah waka heuras kitoe 'Min, koedoe sareh atoeh. Geura dewek rek nanja, naha aja sabaraha harita tjaktjak anoe aja di loehoereun lawang goeha teh? Djeung naha eta tjaktjak anoe arek dipaehan koe silaing, harita miloe

disada, kitoe?

Djimin. Tjaktjakna ngan hidji. Djeung geus tangtoe tjaktjak leu mah henteu miloe disada, da itoe mah djaman baheula.
Abdoel. Atoeh naha aja tjaktjak teu toeah teu dosa, bět arek dipaehan koe maneh? Geura pikir, oepama aja anoe boga dosa maehan, lain anoe dihoekoem teh ngan eta bae noe maehan tea saoerang, tara djeung doeloerna atawa barajana?
Djimin. Djadi pendekna mah maneh teh teu pěrtjaja ka sacer sěpoeh?
Abdoel. Hih, poegoeh bae nganděl mah, tapl ka noc běněr. Ari tjarita maneh mah teu asoep kana nalar. Nadjan saoer sepoeh oge art teu běněr mah, teu koedoe digoegoe. Sabalikna, omongan deungeun anoe běněr koe oerang koedoe digoegoe, Dewek henteu rek njalahkeun ka maneh, ngan pamenta dewek, ka hareup, sagala lakoe koedoe dipikir heula oelah sok toetoeroet moending bae.

Pikir koe maneh, lamoen eta tjaktjak koe maneh tadi dipaehan, maneh maehan sato anoe tanpa dosa.

Djimin. Běněr omong maneh, 'Doel. Aing moal deul-deul boga pikir hajang nganiaja sato.
Abdoel. Soekoer katjida, maneh boga pikir kitoe.

e. HAJAM ADOE DJEUNG OETJING.

Aja hidji djělěma ngaranna Bapa Doersila, boga hajam adoe sahidji, oetjing hidji. Ari anoe pangdinangna-nengnena hajam adoe [ 265 ]
tea, si Gěnding ngaranna, sabab eta hajam nja aloes nja meunangan deuih; boeloena noe disěboet abang-panatas tea, nja eta beureum, dada hideung mělěs, djangdjangna sělap bodas, lantjoerna doeanana bodas, panonna ěmas ngora, pamatoek djeung soekoena bodas, siihna siih rante sarta soekoena ngělir beureum bradja gěni tea, nandakeun jen matih; awakna neros tjara bangoen djantoeng toer pěngkoeh deuih. Ana keur ngěntjar di boeroean boeloena katodjo koe panonpoë herang sěmoe hinjaj, komo lamoen manehna kikiplik sělap djandjangna ngaborelak. Estoe matak loetjoe matak deungdeuleuan.

Anoe sok ngadoekeunana bobotoh kahot Pa Samintěn, toempangna poeloehan, sarta memangna geus poeloehan kali. Pendek eta hajam-hajam mogok, malah beunang oge disěboet garoeng. Pa Doersila katjida njaahna ka si Gěnding, estoe dimemenan pisan, tara ieuh koerang hakan, leuwih dipěrloekeun manan keur manehna pribadi. Tapi ari si Gones mah, oetjingna tea, tara, pati dioeroes, sakitoe boeloe tiloe oge. Aja diparaban aja hěnteu. Minděng pisan si Gones kapaksa sok maling dengdeng atawa laoek, da geus tiloeana kapanggih koe Pa Doersila, si Gones maling laoek, mani dipeupeuhan satěngah paeh.

Dina hidji poë si Gěnding dikěntjar di boeroean, .... beu atoeh geus lain dikieunna bae manehna bangoen anoe soeka2 teuing, kikiplik ngong kongkorongok, děrěgděg ngoedang bikang. ....... djantěng ....... ngong kongkorongok. Sorana pondok tapi beuneur. Harita si Gones aja di dinja, toeloej manehna njampeurkeun ka si Gěnding, pok ngomong kieu bari ngalěngis:

„Emh, hajam! pantěs maneh mah rek soeka seuri oge, da sakitoe diasihna koe djoeragan. Geura ari tjara kami mah, koemaha piboengaheunana. Maneh oge njaho pribadi, kaboga kami mah euweuh deui ngan sědih djeung prihatin. Tara teuing dioeroes, koe djoeragan. Padahal tjek bawa rasa gěde pitoeloeng kami ka djoeragan, kami ngadjaga beurit djeung oetjing tatangga. Tjatjak lamoen euweuh kami meureun katoeangan djoeragan beak djeung panganggona roeksak koe beurat digěgět.” Tapi nadjan kitoe oge hakan kami tara dioeroes. Oepama kami langlajenseun, sok kapaksa kami njolong kahakanan, koemaha ana katingali koe djoeragan, mari dihantěm diteunggeulan něpi ka lěs-lěsan kapaehan, padahal teu sapira anoe dipaling teh. Noe matak tjek kami mah papada ngawoela oge, maneh mah estoe ngeunah, dahar mandi dioeroes, ari kana gawe tara pisan dipěrědih.

Barang si Gěnding ngadenge omong oetjing kitoe, gantjang ngawalon:

"Oetjing! eta omong maneh kitoe, aja oge běněrna, nja eta kami dipikaasih koe djoeragan. Tapi ari madjah kami sěnang ngahěnang-

- 266 -
[ 266 ]
ngahěning mah, eta salah. Enja ari hakan mah dioeroes, estoe taja kakoerang, tapi oetjing! gawe kami beunang disěboetkeun ngadjoeal pati. Geura pek bae koe maneh pikir oetjing, dina kami noedjoe diadoekeun, beunang disěboet kami koedoe meakkeun tanaga, koedoe doeg hoeloe pět njawa, pambrihna euweuh deui ngarah njoekakeun manah doenoengan, nja djoeragan teh asih ka kami. Ari měntas diadoe awak kami mani ratja pinoeh koe tatoe, sarta pirang2 lilana kakara tjageur deui. Tapi ari djoeragan euweuh pisan ras-rasanana, minděng pisan tatoe kami tatjan tjageur běněr geus koedoe diadoe deui, da aja anoe ngaroeroeg. Tah, ieu ilikan djawer kami geuning gětihan keneh, da anjar 'tas diadoe. Parandene kitoe kami teu gěnah nja ati, boa isoekan atawa pageto geus koedoe diadoe deui. Geura oetjing pikir koe maneh, naha hiroep tjara kitoe teu ngeunah? Lamoen kami teu naroehkeun oemoer, ngawoela koe ngadjoeal pati, moal ěnja koe djoeragan dipikaheman. Koe sabab eta, nadjan kami dipikaasih oge koe noe djadi doenoengan, ngarasa teu koeat ngawoela ka djoeragan ajeuna. Lamoen djoeragan anggěr bae kitoe, ngahantěm bae ngadoekeun kami, tangtoe kami moal lila deui nja oemoer. Koe hal eta, maneh koedoe narima kana takdir diri bagdja awak sorangan, sabab nadjan maneh tara dioeroes oge, hiroep maneh kaasoep oentoeng.

Wěkas kami ka maneh, oetjing! poma oelah aja toeroenan maneh anoe hajang kapake koe manoesa, sabab sato anoe koěmawoela teh, nadjan ngawoela popohoan něpi ka lali rabi tegang pati oge: geus moal ěnja meunang panarima ti djoeraganana.

Saěnjana ti batan hiroep kieu tjara kami ajeuna, měnding dipoendoet bae nja oemoer koe Noe Kawasa".

Barang hajam ngomong kitoe, panonna ngalalimbam toeloej sasambat kieu:

Kinanti Panglipoer bingoeng,
Moega sing djadi pepeling,
Kaniaja doeh djoeragan,
Panoehoen koering ka Goesti,
Goesti noe Maha Kawasa,
Neda hampoeraning Goesti.


Wělas Goesti noe kasoehoen,
Anoe dipoedja pinoedji,
Siang-wěngi ditětěda,
Abdi noe nandang prihatin.
Disiksa dikaniaja,
Nandang papa djeung kanjěri.
- 266 -
[ 267 ]

Ja Allah Goesti pakoeloen,
Enggeus teu kiat nja diri,
Moegi aja sih hampoera,
Měnding dipoendoet nja hoerip,
Teu kiat koe rara wirang,
Abong bagdja milik diri.

Oetjing sobat doeh sadoeloer,
Sing awas wasis patitis,
Milik diri bagdja awak,
Oelah kanintjoet katarik.
Hajang diasih koe djalma,
Tambah soesah roeksak diri.

Barang oetjing ngadenge hajam-adoe tea sasambat kitoe, manehna asa kasoeat nja ati, njeri peurih asa ngarakatjak, miloe tjeurik ngabangingik:

Kasmaran teuing nja ati.
Teu koeat ngampět kasoeat.
Njělěkit ieu njeleket.
Dirasa beuki karasa,
Gending mitraning mitra.
Ditjatoer njeredet paoer.
Paoer asa dikesetan.

Eta omong maneh Gěnding,
'Moen kadenge koe noe rea,
Meureun kabeh raheut hate,
Njěri mariloe nalangsa,
Tangtoe kabeh něněda,
Ka Goesti noe Maha Agoeng,
Něda agoeng kamoerahan.

Nadjan peurih nadjan njěri,
Ngarasoela djeung nalangsa,
Kapan geus takdir Jang Manon,
Djadi mahłoek noe elehan,
Pangeujeub alam doenja.
Salawasna ngan kawengkoe,
Kaparentah koe manoesa.

'Moen manoesa anoe leuwih,
Koe Goesti noe moerbeng alam,
Teu digandjar wěning hate,

[ 268 ]

Sabar adil palamarta,
Welas ka machloek Allah.
Tangtoena toeloej-toemoeloej.
Tjilaka salalawasna.

Ari moenggoeh anoe boekti,
Manoesa kabeh saroea,
Sok tara njaah ka sato,
Dianggap barang pakakas,
Tara ngarasa lara,
Prihatin nalangsa ngoengoen,
Disiksa sawěnang-wěnang.

Emh Gěnding mitra noe dalit,
Běněr moemoedji něněda,
Moega² manoesa teh,
Diboeka sanoebarina,
Kami miloe ngado'a,
Moega kaboel nja panoehoen,
Anoe těměn-tiněměnan.

Saha noe njaho di takdir,
Djaga oerang meunang bagdja,
Meunang kamoeljan kamoekten,
Kadar teu beunang dikira.
Kěrsa Anue Kawasa,
Djělěma tan kena wěroeh,
Hal boelak-balixha djaman.

Meugeus Gěnding, meugeus Gending.
Oerang oelah rek nalangsa,
Koedoe pasrah ka papasten,
Ngan oerang koedoe ihtiar,
Něněda reudjeung iklas,
Kami amit rek loemakoe,
Balangsiar njlar hakan.


50. DOEA POTRET BEUNANG MILIH NOE NGAGARALEUH.

Anoe kapilih koe noe ngaraleuh Volksalmanak 1920, soepaja potretna diasoepkeun kana alměnak 1921, noe panglobana meunang sora aja tiloean, nja eta: [ 269 ]

1. Raden O.S. Tjokroaminoto;
2. Toean Abdoel Moeis:
3. Mas Wedono Dwidjosewojo.

Tapi lantaran Raden O.S. Tjokroaminoto teu kěrsaeun ngintoenkeun potretna ka Bale Poestaka, djadi anoe diasoepkeun potretna kana ieu alměnak: ngan potret Toean Abdoel Moeis djeung potret Djoeragan Dwidjosewojo bae.

Bale Poestaka ngahatoerkeun noehoen ka Toean Abdoel Moeis djeung Djoeragan Dwidjosewojo, reh kěrěsa ngintoenkeun potret andjeunna keur asoepkeuneun kana ieu alměnak.


51. MAS PIRNGADI.

TOEKANG-GAMBAR BANGSA PRIBOEMI.

Dina soerat2 kabar Walanda loba anoe njěboetkeun, jen ti sapěsna Raden Saleh poepoes, beunang disěboetkeun euweuh deui oerang Priboemi anoe diadjar ěnja2 kana ngagambar. Eta lěrěs pisan kitoe. Tapi ka beh-djeungkeun, mimiti aja deui bangsa oerang anoe rarěsěp dialadjar ngagambar, Ngan tatjan loba anoe djadi bae.

Ajeuna geus aja naoe kasohor, nja eta Mas Pirngadi.

Meureun geus rea anoe ngadarangoe hal Mas Pirngadi ngiring toean Jasper ngoemisi karadjinan oerang Priboemi.

Ari kasohorna pisan mah andjeunna teh tina ngagambar, „Jandschap” Hindia. Loba pisan gambar beunang eta toekang gambar anoe dipintonkeun di Kunstkring di Batawi, saria loba pisan anoe digaraleuh koe toean-toean anoe sarěněng kana bangsa kabinangkitan.

Mas Pirngadi asal oerang Banjoemas. Mimiti andjeunna ngamagang di Pasoeroean; lila-lila diangkat kana Mantri Oeloe: tina Mantri Oeloe djadi Mantri Kadaster. Harlia beuki tembong kapintěranana kana ngagambar, něpi ka ditjandak koe toean Jasper kana ngoemisi karadjinan oerang Priboemi tea.

Andjeunna toeloej ka Batawi; něpi ka ajeuna linggihna di Bogor.

Ieu di handap diasoepkeun lezingna di Bogor dina boelan Augustus 1920.

Tina hal gambar.

Samemeh djisim koering njarioskeun hal gambar, bade njarioskeun heula paedahna sarěng pěrloena aksara sarěng angka.

Doepi hartosna aksara atanapi angka, oepami djidim koering hěnteu lěpat, hěnteu aja sanes kadjabi ti gambar keneh bae,

- 269 -
[ 270 ]namoeng gambar sora, sapērtos: H. eta hěnteu sanes ti gambarna sora: H., sarěng saladjěngna.

Nja kitoe deui angka hěnteu sanes kadjabi gambar bilangan. Doepi paedahna aksara atanapi angka manawi sadaja oge parantos aroeninga, namoeng soepados těrang pisan, bade ditjarioskeun sapěrtos di handap ieu:

Paedahna aksara atanapi angka teh, nja eta pikeun njatětan sadaja pěrkara, tjarios atanapi elmoe (wetenschappen), sarěng sajabi ti eta, soepados ěngke di djaman achie, pikeun anak-intjoe atanapi tjanggah oerang sadajana, iasa těrang, koemaha kaajaanana djaman oerang ajeuna, anoe hěnteu kalampahan koe maranehanana.

Koemaha intjoe-boejoet atanapi tjanggah oerang bisaeunana těrang kaajaanana djaman oerang ajeuna, koe eta gambar-gambar sora atanapi angka teh? Jaktos ari moal bisa těrang atanapi moal tjěkap tea mah, raoepami ngan gambar sora atanapi angka bae mah woengkoel, da kědah disarěngan koe basa, sarěng didaměl boekoe.

Ari basa tea, nja eta pěrkoempoelan gambar-gambar sora atanapi angka, anoe parantos ditangtoskeun hartosna: kajaning: SAGARA, NAGARA, sarěng sadjabi ti eta.

Koe hal eta, pěrloe pisan oerang teh koedoe njaho kana aksara atanapi bisa njieun gambar sora sarěng angka, soemawontěn gambar loembrah mah.

Gambar loembrah, atanapi gambar biasa, hěnteu sanes hartosna, kadjabi ti aksara. Anamoeng aksara anoe noedoehkeun hidji barang sarěng disěratna langkoeng těrang, sapěrtos: gambarna medja, gambar korsi, sarěng saladjěngna, sami bae sarěng njěbat aksara MEDJA, sarěng KORSI oepami loembrah mah.

Oepami hojong oeninga naon hartosna gambar, eta, teu aja sanes kadjabi ti tjoret atanapi goerat<sup2 anoe diroepikeun barang. Doepi hartosna goerat, nja eta pakoempoetan titik-titik, anoe didjadjarkeun dongkap ka hěnteu katawis toemboena atanapi antarana, ti titik kahidji ka noe sanes.

Bangsa Europa sarěng bangsa sanes kadjabi bangsa Arab, hěnteu kintěn merloekeunana sarěng ngadjianana kana hal gambar. margi ngemoetkeun kana kapěrloeanana. Ari tawisna, loba tempat<sup2 anoe baroga Pakoempoelan Gambar (Kunstkring). Malah di dieu oge, di Bogor, aja.

Doepi bangsa Arab, noe wawi hěnteu měrloekeun kana hal gambar, koe pangintěn djisim koering, oepami hěnteu lěpat, koe margi kasěbat dina kitab<sup2, doeka naon wastana eta kitab teh, koering hilap deui, njěbatkeun jen gambar teh haram pikeun bangsa Islam mah; nja eta dawoehan K.N, Moechammad s.a.w. Doepi margina kieu: [ 271 ]Di djaman baheula, dina djaman Kanabian samemehna K. N. Moechammad, di tanah Banisrail, djĕlĕma2 pada njarĕmbah ka bĕrhala, roepi djĕdĕlemaan (artja), roepa sato sarĕng sadjabi ti eta, ari noe didamelna batoe atanapi Kai. Eta bĕrhala dianggĕpna kawasa sapĕrtos ALLAH. Koemargi eta, disĕmbah-sĕmbah siang-wĕngi, samalah garadoeh pangintĕn hiroepna ogĕ, nja koe bĕrhala tea: maranehanana hĕnteu ngarandĕleun kana ajana Allah, sarta hĕnteu pĕrtjaja ka ALLAH. Noe mawi lĕrĕs pisan, kĕrsana Kandjĕng Nabi Moehammad, ngadawoehkeun jen gambar-gambar „haram”, margi nja eta bokbilih aja oematna sarĕng kaomna anoe njararĕmbah ka bĕrhala tea, sarĕng hĕnteu pĕrtjaja ka Allah. Koemaargi eta koe Arab noe aralim, soemawonna anoe kĕntjĕng ngalampahkeunnana Agama, hĕnteu nganggo dipikir deui, sarĕng hĕnteu nganggo dibedakeun deui, gambar sarĕng artja atanapi bĕrhala, noe aja teh moeng haram bae. Soemawonna baris bangsa oerang mah (Oerang Djawa atanapi Soenda) anoe memang agama toetoeroeti tea, hĕnteu kintĕn bae sieuneunana kana eta basa „haram”. Noe mawi bangsa oerang sakitoe moendoerna tina hal gagambaran, koe pangintĕn djisim koering hĕnteu sanes margina, moeng tina katarik koe basa haram tea bae.

Nanging reh ajeuna oerang sadaja parantos tĕrang sabab-sababna sarĕng oerang teh parantos tĕrang, jen hĕnteu aja deui anoe kawasa di doenja kadjabi ti Allah, sanes bĕrhala tea, tjara oerang Banisrail, kawoewoeh deui kapan hal gambar teh sakitoe pĕrloena sapĕrtos anoe parantos ditĕrangkeun koe djisim koerung di pajoen, naha oerang teh koedoe sieun keneh bae, koe eta basa? sarĕng ningal kana omongna hidji toekang gambar Leonardo Davinci: „saha-saha anoe ngadjian kana Kunst, gambar atanapi naon bae karadjinan, anoe didamĕlna koe panangan, eta kenging didamĕl tjitjiren, jen eta djĕlĕma Beschaafd”, koe margi eta tjing aroeh, oerang teh sabisa-bisa koedoe pada ngereujeuh, oerang oedag eta karadjinan teh, anoe sakitoe pĕrloena, sarĕng sakitoe saena. Malah mandar oerang teh bisa tjampoer sarĕng bangsa Europa.

Dina soerat kabar, "HET VADERLAND" 29 April 1912, KOLONIAALWEEKBLAD sareng SOERBAJAASCH NIEWSBLAD tahoen eta keneh, pada njarĕbatkeun kieu: „Na den dood van den bekenden Raden Saleh, die veel dierenfiguren geschildred heeft en wiens in hen Rijksmuseum te Amsterdam aanwzig stuk „Gevecht op leven en dood tusschen een buffel en twee tijgers” in het boek Neerlands Indië in kleuren is gereproduceerd, heeft de schilderkunst onder de Inlanders van den Archipel geen ernstige beoefenaren gehad". Doej i pisoendaeunana koe kinten2 kieu:

„Saparantosna Raden Saleh poepoes, nja eta toekang gambar anoe kasohor tea, anoe sok ngagambar sasatoan, malah dadamĕl [ 272 ]lanana aja noe disimpěn di Rijkmuseum Amsterdam, nja eta gambar banteng dihoeroep koe maoeng doea, geuning boekoe Neerlands Indië digambarkeun make tjet. Ti sěmět harita, oerang Priboemi di tanah kapoeloan Hindia hěnteu aja anoe diadjar ěnja-ěnja kana ngagambar”.

Djadi parantos těrang pisan, jen ti saparantosna Raden Saleh poepoes, oerang Priboemi kenging pamojok sanes bangsa, disěboetkeun hěnteu daraekeun diadjar ngagambar, padahal ari topek mah sarerea oge aroeninga, kapan bangsa oerang teh loba anoe baroga. Malah koe bangsa Walanda oge karoeningaeun, boektina dian sěrat kabar „DE HOFSTAD” tanggal 4 Mei 1912, parantos dipoedji kieu: „Wie Indiers heeft zien teekenen weet hoe verwonderlijk knap en accuraat zij daarin zijn”.

Doepi pisoendaeunana kintěn-kintěn bae kieu: "saha-saha noe geus tingali pětana oerang Hindia ngagambar, tangtoe heran tina pintěrna djeung apikna ngagambarna noe digambar".

Memang eta kětjap anoe kitoe teh lěrěs pisan, hěnteu aja lěpatna, malah djisim koering parantos ningal pribadi, jen bangsa oerang seueur pisan anoe memang aja dasarna baris gagambaran; amoeng nja eta tjatjadna teh sok bosěnan sarěng sok ěmboeng hese.

Koe margi eta, panoehoen djisim koering ka sadajana djoeragan2, anoe lalinggih di dieu, soepados kěrsa niroe adatna oerang asing sarěng kědah noeroet paribasa Inggris, anoe pokna kieu:
„Never sit down in repining
for where is a will there is a way.
Hartosna kinten2 kieu: Oelah sok eleh koe hese, margina di mana aja karěp, di dinja aja djalan.

Bisi kirang mantěpna, atoeh oerang njandak keun saksi ti dawoeh Nabi: „WADIJA WADJIDAHOE”.

— 272 —
[ 273 ]

52. HIKAJAT NGANGGO DANGDING BASA SOENDA

BANTEN PARAHIANG, TJARIOS KAAJAAN DI

KABOEPATEN LEBAK SARENG SERANG.

DIDJENENGKEUN.

ASMARA SRI ANGGA (1)

I.

1. Dangdanggoela anoe djadi kawit, njarioskeun těmpat oesoel-asal, damělan Kandjěng Boepatos, noe djadi toenggoel pajoeng, pangaoeban sadaja abdi, ngěreh hing kota Serang, asmana noe mashoer, awit njěpěng padamělan, doegi kana ginandjar titěl dipati, Raden Soetadiningrat.

2. Djisim abdi geus nampa pilahirm kadawoehan ngarang ieu těmbang, nanging estoe maksa bae, lain koe sěbab timoe, njarioskeun djeung mawi dangding, ari anoe ditilad, basana malajoe, sim abdi noe kědah njěrat, ngaran nělah poen Hadji Moehamad Bakri, bisa eukeur di Měkah.

3. Titimangsa keur dikarang dangding, tanggal lima December sasihna poekoel tiloe dintěn Sěnen nja mangsa ieu tahoen, noe katělah tahoen masihi, hidjrah Djěng Nabi Isa, sewoe dlapan ratoes, djeung salapan poeloeh doea, doepi babad noe bade dikarang dangding ieu kawitanana.

4. Anoe mědal tina hate běrsih, paněněda ka sakoer noe matja djeung ka noe ngadangoe bae, tjarita noe kasěboet, sadajana samoegi-moegi, teu djadi doeka manah, koe margi geus tangtoe, saha-saha oge moal, panggih anoe kěrsaeun ditjěla diri, djeung njěla ka andjeunna.

5. Tina eta koela aja pikir, keur moedjikeun těmpat oesoel-asal, rama iboe keur bareto, sarta koela nja kitoe, oesoel-asal ka doenja lahir galibing paribasa, djalma oerang goenoeng, ěnja eta kieu pokna, oesoel-asal ngalahir bali ngadjadi, nja di apdeling Lěbak.

6. District Sadjra nalika keur leutik, koela ngiring lampah iboe rama, pindah ka llian apdeleng, di dinja heubeul matoeh, enja eta dajeuh Tjaringin, djěng rama pilěnggahna, Patih ladjoe toeloej, pindah ka dajeuh Pandeglang, njandak pangkat pilěnggah djěněng boepati, ari koela harita.

7. Kira oemoer doe wělas warsi, malah hengga njěkěl pagawean, hanteu pisan-pisan poho, ka lahirna karoehoen, masih oge tiasa


(1) Mětik tina Tijdschrift Taal Land en Volkenkunde anoe dikaloearkeun koe Bataviaasch Genootschap van Kinsten on Wetenschappen.

- 273 -
[ 274 ]nilik ka tilas kalahiran, djeung pěrsanak těpoeng, ingět basa keur mangsana, tahoen opat poeloeh lima hengga něpi ka opat poeloeh slapan.

8. Kota lěbak kala eta ngalih, ngababakan daměl kota anjar, ti Lěbak ngaralih kabeh, ka dajeuh Waroenggoenoeng, sadajana para prijaji, kantěnan toean2, mangsa eta langkoeng, loetjoe djeung leuweung-leuweungna, katendjona masih araloes teh teuing, ti dinja deui pindah.

9. Daměl kota ngababakan deui, dajeuh eta harita ditilar, dawoehan Kangdjěng Goepěrmen, ngalih ka Rangkasbitoeng, pirang2 tahoen teu nilik ka tempat kalahiran, marga rea oedoer, tina tambah-tambah pangkat, beuki tambah tanggoengan noe djadi wadjib didjalankeun koe koela.

10. Dina mangsa keur tahoen masihi, toedjoeh poeloeh gěněp pangkat koela, djěněng boepati apdeleng, Pandeglang hidji waktoe, kenging titah djalan ngoemisi, tanah noe sěboet erfpacht di sahidji goenoeng, di ngaranan Goenoeng Poentang, district Sadjra noe di dinja mělak kopi, toean van Delden tea.

11. Njoehoen tambah arek moeka deui, tanah noe ditěda rek diboeka Goenoeng Endoet ngaranna teh, koela nja soenggoeh-soenggoeh, ngadjoengdjoengkeun timbalan goesti, sapěrkara mistina, kadoeana woewoeh, tambah sěnang soeka boengah, bade nilik ka oeroet bali ngadjadi, ti dinja koela mlang.

12. Sarěng toean Controleur Willem Linn, dongkapna ka Rangkasbitoeng kota, hanteu ladjoe mondok bae, isoekna karek toeloej, kapeutingan nja mondok deui di kawadanan Sadjra, isoek karek ladjoe, ngadjoegdjoeg ka Goenoeng Poentang, ngandjrěk deui di toean Van Delden meuting, doea wěngi lilana.

13. Boemi toean sakalangkoeng asri, rea-rea pikeun kasěnangan, imah papan siga tembok, moetoeh pisan araloes, malah sami djeung di Batawi, saěnggeusna mariksa, ngaran Goenoeng Endoet, balik moelang kapeutingan, dina oeroet nja ěnggon bali ngadjadi, ingět djaman keur boedak.

II.

14. Kasmaran pahaoer sědih, sadjěroning pikiran, nalangsa djaman bareto, oeroet koela ngalih alam, kalahiran di dinja, toempah darah kandjěng iboe, kasondong deui harita.

15. Basa ngalih ka Tjaringin, sěpoej pangkat djadi děmang, ajeuna ngaranna sedjen, kaganti ngaran Wadana, sěpoeh ti pangkat eta, ngalih ka Tjaringin moendjoek, njandak pangkat kapatihan.

16. Nja pandjang ana digoerit, isoekna ti dinja angkat, sarěng toean Controleur teh, ka kota apdeling Lěbak, teu toeloej poë eta, nja mondok di Rangkasbitoeng, isoek karek balik moelang.

- 274 -
[ 275 ]17. Kala eta noe kapanggih, koe koela di dajeuh Lěbak, teu atjan diatoer sae, malah aloen-aloen kota, eurih noe matak bala, djěung djarěblog rea loempoer, di djalan poetěran kota.

18. Malah kaso djararadi, leuweung rea noe raroeksak, těgal angar mereketet, paroetih kěmbang eurihna, leuweung taja rasmina, lemboer paboeliksak koesoet, rea tanah angar běra.

19. Matak djadi sědih ati, hamba-hamba oerang desa, kolot boedak pada bongoh, achirna keur dina boelan, October tanggal lima, sarewoe dalapan ratoes, djeung toedjoeh poeloeh dalapan.

20. Koela dikěrsakeun ngiring, Kandjěng Toean Raden Metman ka kidoel kědah miderek, sěpeksi afdeeling Lěbak, angkat di Pandegělang, wantji djam poekoel sapoeloeh, mondok di kaboepatian.

21. Di dinja teh doea peuting, isoek tanggal toedjoeh angkat, ngiring Kandjěng Toean Risden, djeung toean Assistent pisan, sarěng Kandjěng Dalěmna, Raden Soeta Angoen-angoen, dongkap ka Goenoeng Kantjana.

22. Di dinja mondok sawěngi, nganggo imah kawadanan, sarěng djalan-djalan oge, harita ka Goenoeng Dadap, ka boemi toean tanah, Huldekooper Lěbaksioeh, kota district masih bala.

23. Ngan aja imah sahidji, imah kawadanan tea djeung djoeroetoelisna bae, isoekna poekoel salapan, angkat deui ti dinja djěbolna ka Tjipalaboeh, imah Assistent-Wadana.

24. Těroes ladjoe ka Mallingping, mondok doea wěngi heula, sarěng di dinja sapoě, moetěr-moetěr pakampoengan, ka sabeulah koelonna, di tanggal sawělas isoek, angkat djalan raramean.

25. Angkatna noeroet pasisir, sěnang manah sarerea, poegoeh rea noe ditendjo, koemaha onam galibna, di kikisik laoetan, rěsik setra moetoeh aloes, djeung nendjo ombak sagara.

26. Sadajana noe ngariring, leumpang tjara pělěsiran, pada soeka-soeka hate, sareh ngiringkeun bandara, djlog dongkap ka Tjihara, mondok sawěngi ngoeloewoet, di imah ka-Assistenan.

27. Imah tihang tantjeb awi, hanteu make dioempakan, amparan paloepoeh bae, aboes angin bilik tjarang, pajah tiris katjida, ari hateup daoen těpoes, isoek tanggal doeawělas.

28. Ti dinja seg angkat deui, djalan malipir laoetan, tjara keur kamari bae, oeroet ngoeloewoet kapoenah. koe leumpang nendjo ombak, goemělěděg tingdjalěgor, ombak galěde katjida.

29. Njabrang moehara Tjisiih, Tjipagěr ěnggeus kaliwat, toeloej make djalan sedjen, něroes ka leuweung gamea, ka goeha Patoegoeran, něpi ka Bajah diitoeng, oekoeran tiloewelas pal.

30. Isoekna bral angkat deui, běněr tanggal tiloewělas, di djalan teu kintěn tjape, dongkap ka lěmboer Sawarna, anggangna salapan pal, tanggal opatwělas matoeh, soemědja boeboeroe badak.

31. Karana di dinja teuing, rea badak djeung garalak, watir ka

- 275 -
[ 276 ]..... di mangsa koe badak galak, atawa noe tjilaka, kapeung aja noe ka lěmboer, lamoen badak teu poetrian.

32. Isoek-isoek angkat deui, běněr tanggal gěněpwělas, noedjoe lěmboer Tjibareno, Kandjěng Risden mariosan, watěs tanah Priangan, djeung ningali boedak lěmboer, anoe ditaraněm tjatjar.

33. Tanggal toedjoehwělas masih, aja di lěmboer Sawarna, sědja moeroe badak keneh, di tanggal salapanwělas, angkat balik ka Bajah, dina tanggal doeapoeloeh, nja masih aja di Bajah.

34. Di dinja kěrsa ningali, boekoe padjěg tanah-tanah, sarěng di dinja marios, boedak noe ditaněm tjatjar, tanggal salikoer angkat ka Malingping sědja wangsoel, ngaliwat deui Tjihara.

35. Mondok deui di Malingping, tanggal doea poeloehdoea, bari djeung ngeureunan tjape, Kandjěng Risden kěrsa ningal, pilěmboeran di dinja, dina tanggal tiloelikoer, angkat ka Goenoeng Kantjana.

36. Di dinja njare sawěngi, tanggal doea-poeloeh-opat, isoekna tanggal salawe, angkat ti Goenoeng Kantjana, soemědja balik moelang, djoegdjoeg dajeuh Rangkasbitoeng, těroes balik ka Pandeglang.

37. Kandjěng Risden ladjěng moelih, ka kadaton dajeuh Serang, ieu noe disěrat kabeh, pěrdjalanan sadajana, basa eukeur harita, terang pisan geus diatoer, dina dangding basa soenda.

III.

38. Sinom ngagěntosan těmbang, harita njata teh teuing, raroesak leuweung-leuweungna, paribasa nini aki, aja sěboetan galib, lapoer araloesna goenoeng, moesna alas geugeuda, sěbab ditjatjar didamping, boesak-basik pikeun ngahoema.

39. Satahoen kadoea pindah, eta oge beunang djadi, noe leutik sakahajangna, sěbab koerang pangawatir, pikeun maratoeh tjitjing, noenggoe pagawean pěrloe, karana kabeh djalma, make kamoerahan nagri, tapi tonggoj noe leutik tinggal miskinna.

40. Imah2 sadajana, masih tětěp sabinari, aja omong paribasa, disěboetkeun sěri-moerti, tanapi eorea-sandi, moen boeboeara ka madoer, ngoembara ka samarna, matoeh tjitjing di Tjisiih, njeun imah di loehoer sěmpoe, gěnahna.

41. Sawah2 tinggal běra, tina kaboerangan tjai, pahoemaan teu digarap, noe leutik sakarěp diri, barang di taoen achir, sareboe dalapan ratoes toedjoeh poeloeh salapan, djol dongkap toean koemisi, ti Batawi toean Sěpektor taněman.

42. Mariosan hamba-hamba, noe koerang hakan mariskin, di eta afdeeling Lěbak, djeung ingět basa ka boeri, di boelan Maart indit, sareboe dalapan ratoes, dalapan poeloeh slapan, nendjo lelang sědja meuli, barang-barang Controleur Goenoeng Kantjana.

- 276 -
[ 277 ]43. Ka Tjibioek nja djalanna, těroesna ka Sindangnjair, ka Waloekoe nja ladjoena, djlog ka djalan gěde něpi, harita geus mimiti lěmboer djeung djalan diatoer, leungit pamake koena, koemaha biasa tadi, djalan-djalan těroesan leutik digombrang.

44. Jen běndara rek ngalintang, didjalan kaso djeung eurih, karek pada digombrangan, harita djalan geus rěsik beunang ngarikil, gili sapandjangna aloes, barang ka kawadanan, ditendjo geus lain deui, reudjeung basa ngiring Kandjěng Resden Metman.

45. Geus diatoer imah2, malah djiga kota nagri, sakabehna soengsoehoenan, limas koeměrěb djeung bilik, geus dilaboer paroetih pěbot imah medja bangkoe, korsi kěnap pigoerah, koemaha imah prijaji, soemawonna ari imah kawadanan.

46. Reudjeung sakabeh ganggangna, djalan poetěran ngoeriling, rěsik taja koetjiwana, lain tina aneh leuwih, tapi heran sakali, jen ingět basa kapoengkoer, aja sakitoe beda, djeung heran koe marariskin, barisa njieun imah gěgědongan.

47. Jen keur ditimbang heubeulna, sapoeloeh tahoen ka boeri, noe kasěboet tadi tea, basa eukeur koena ngiring, Kandjěng Risden sěpeksi, teu seep pikir mělěngoek, kabidjaksanaana, noe djadi pamasa nagri, pamarentah ka sadaja hamba-hamba.

48. Teu sabaraha heubeulna djeung tambah djalma garinding, sěmoe noe taja kasoesah, djeung basa tahoen masehi, noe parantos ka boeri, di tahoen salapan poeloeh, ping doea poeloeh doea, October koela geus nilik, di dajeuhna basa raramean pesta.

49. Pesta Kandjěng Boepatina, nampi koernia boepati, koela harita di dinja, gěněp poë gěněp peuting, ana ditilik deui, kota dajeuh Rangkasbitoeng, rěsik teu kira-kira, taja koetjiwa saeutik aloen-aloen djoekoetna kakalabangan.

50. Djampang panggoeng ngararambat, dipake koe kapalěri, baris koeda laloeasa, singgětna beda teuh teuing, djeung basa noe koe boeri, di tahoen-tahoen kapoengkoer, djiga babakan anjar, aja matak loetjoe teuing, noe marentah djiga ngagajoeh tawangan.

IV.

51. Kinanti ngagěntos lagoe, ngagěntos pioendjoek alah, basa ngagajoeh tawangan, sasmita kěmbang kinanti, aja noe ngajěboet paham, poen derek abdi pribadi.

52. Poen Wadana noe geus pěnsoen, sarěng prantos djam hidji, nami poen Soetradilaga, měměleh katjida teuing, bangět hanteu saroedjoekna, tawang sasmita kinanti.

53. Pokna salah lamoen kitoe, jen timbangan noe berboedi, eta ngagajoeh tawangan, ngagajoeh jen basa boemi, těgěsna ngarawel tea, tawangan nja loehoer langit.

54. Awang-awang noe teu woedjoed, ngaranna ge djohar-latip.


- 277 -
[ 278 ]pake sasmitaning těmbang, rek salin lagoe kinanti, djiga ngagajoeh tawangan, heg tjoba ana dipikir.

55. Awang-awang taja woedjoed, dirawel nja moal hasil, taja beubeunanganana, halna eta ngoeroes nagri, poegoeh sakitoe boektina, sampoerna sagala djadi.

56. Djisim abdi pok ngawangsoel, akang mah kieu'na pikir, eta ngagajoeh tawangan, apan ěnja moal hasil, da teu aka dat sipatna ngaranna ge djohar-latip.

57. Eta njatana mah kitoe, sasmita těmbang kinanti, djiga ngagajoeh tawangan, apan da poegoeh geus boekti. Kandjěng bandara di dinja, ngoeroeskeun sagala djadi.

58. Teu aja kabět saramboet, anoe djadi halang-haling, tjara ngagajoeh tawangan, sakěrsana kabeh boekti, saborong anoe lalimpad, akang geus njoehoenkeun warti.

59. Wangsoelan mana teh kitoe, timbalan Kandjěng Dipati, rek naon make pasea, mana-mana oge boekti, lamoen dipikir noe ěnja, Koedrat iradat Jang Widi.

60. Anoe awon anoe aloes, koe lampah anoe běrboedi, těmahwadi bidjaksana, karahardjanna geus yakin, moelana di alam doenja, sok roegěl manggih istori.

61. Noe tanpa nalar teu poegoeh, kabeh bae noe kapanggih, ditarik ka kagorengan, eta oege bisa djadi. lamoen anoe bidjiksana, kasalamětan noe pasti.

62. Geus eta oelah parěboet, matak djadi soesah ati, djongdjon sih pada ichtiar, noe djadi salamět diri, sapoek adi reudjeung kaka, ti lahir doegi ka batin.

63. Poegoeh moen boektina woedjoed, di dajeuh di kota district, di onderdistrict di desa, di sadala djadi djeung rasmi, saniskara pagawean, saralin kawas dibalik.

64. Noeloejkeun anoe kapoengkoer, tapi teu pandjang dipikir, hal karěsikan dajeuhna, ngan koela nitenan deui, djalma oerang pakidoelan, Goenoeng Kantjana Malingping.

65. Noe nongton ka Rangkasbitoeng, pabaoer pagilinggisik, djeung oerang kota dajeuhna, reudjeung Pandeglang Tjaringin, rea oge oerang Serang, tatapi meh kapahili.

66. Lamoen tadina teu wawoeh, tina oerang kidoel ginding, běrěsih pakeannana, aja noe make erlodji, ngan saeutik katjirina, běkělna diběběd oepih.

67. Djeung boeboentělan sambajoet, poetih ngan sakitoe tjiri, ari ieu karamean, pesta djěněng adipati, geus madkoer dina karangan anoe dilagoekeun dangding.

68. Kenging Kandjěng Rangkasbitoeng, harita dikarang dangding djeung dina lian poëna, koela njarěngan pělěsir, ka pasangrahan Tjimarga, sapandjang djalan ningali.

69. Sapandjang djalan diatoer, imah dilaboer paroetih djeung

- 278 -
[ 279 ]
dibangoen gěgědongan, rea-rea koela moedji, dina sadjěroning manah, tina bawaning parangling.

70. Leuweung-leuweung lěmboer2, ěmboer djiga onderdistrict, djalan kapapaj soesoekan, rea sawah tadah djadi, tarikan soengapanana, sampalan katindih tjai.

71. Djadi sawah tanah lintoeh, aboesna tarikan deui, rea kaboekti hasilna, teu kintěn sarěnang ati, para abdi oerang desa, badan laloeis běrěsih.

72. Ieu kabeh noe disěboet, kira-kira moal djadi, moen lain parentah paksa, tapi sarěng titi soerti, soesila sabar darana, karek diahirna djadi.

73. Dipěrloekeun dikoekoedoe, sagala barang noe wadjib, sarta mitoeroet atoeran, heerendiest anoe sadjati, pikeun sadajana djalma, noe mampoeh djeung pintěr boedi.

74. Tapi hanteu djadi tjoekoep, ka hamba ahli patani, noe bodo koerang ingětan, jen teu make tata titi, atawa sandi oepaja, noe sampoerna beunang mikir.

75. Djeung satěngah dikoekoedoe, dipaksa sahengga djadi, neangan pikeun boektina, kasalamětan pra abdi, sadajana oerang desa, midjil tina sědih ati.

V.

76. Těmbang midjil ngagěntos kinanti, njamboengkeun tjarios, sasih October kaping salawe, mangsa tahoen anoe katawis, hidjrah Kangdjěng Nabi, sreboe dlapan ratoes.

77. Salapan poeloeh doea masihi, di Rangkasbitoeng teh, ditangtoskeun ngadaměl karasmen, ngaběn koeda djeung tentoonstelling těmpat noe dipilih, lěbah waroenggoenoeng.

78. Dintěn Senen poekoel toedjoeh endjing, sasih eta keneh kaping doea-poeloeh-opatna teh, koela bral ti Serang sarimbit, ningal tilas lami, kota Rangkasbitoeng.

79. Něpi ka palěbah onderdistrict, Waroenggoenoeng lirem, di těmpat pangadoean koeda beh, katingalna langkoeng rarěsik, pěrhiasan netjis, sagala diatoer.

80. Di djěro ban aja panggoeng leutik, těmpatna President, Secretaris Koemisaris oge, anoe ngoeroes reudjeung noe njaksi, dina hidji-hidji, koeda noe diadoe.

81. Sawetaneun panggoeng noe sahidji, istal koeda beres, di djěrona geus dieusi kabeh, koeda djaro sarěng prijaji, koedana laloeis, wantoe koeda adoe.

82. Lěbah pasar handapeun waringin, aja saoeng gěde, pikeun těmpat barang noe araneh, pakoempoelan ti mana-měndi, anoe soeka ngiring, damělan di kampoeng.

83. Seep kabeh teu koengsi kaboedi, ana beh katendjo, pěrhiasan

- 279 -
[ 280 ]
teuing araraneh, ngadjadikeun takědjoet ati, koe kakara manggih ajeuna saoemoer.

84. Teu kalakon koe djaman bihari, nanging harita teh, ntjap mangsana di eta poë, geus roep bae ti mana-měndi, awewe lalaki, geus koempoel bariboe.

85. Noe laladjo sami rek ningali, koela nitah naros, noe ti mana anoe daratang teh, pioendjoekna ndjalěr djeung istri, padjaboengan abdi, noe datang ti kidoel.

86. Ti Goenoengkantjana ti Malingping, djeung ti Tjibareno, anggangna noe saratoes pal geus beh, daratang poegoeh ti Tjaringin, ti Pandeglang deui. ti Serang geus djěboel.

87. Teu ditjatoer noe dareukeut njanding, sanggeus koela nendjo, saniskara padamělan aneh, sadian pikeun noe tjalik, koela angkat deui, noedjoe Rangkasbitoeng.

88. Ngiring Kandjěng Toean Risden tjalik, ngěrsakeun rek mondok, keur di djalan koela heran bae, tina teuing koe pararangling, toeloej koela mangging, sahidji goegoeroeng.

89. Soesoekanna bareto geus djadi, basa eukeur tempo, Kandjěng Boepati anoe soemareh, geus ka rachmatoelah nja moelih, pokna para abdi, ngaranna teh kitoe.

90. Běndoenganna ngaran paksa nagri, rea těgal kaso, těgal eurih djadi sawah kabeh, nanging djongdjon pra abdi-abdi, hanteu sěnang ati, rasa disoesoeroeng.

91. Migawena reudjeung paksa diri, hanteu beunang aso, saěnjana ngaran noe těgěs teh, ěnja eta soesoekan tjai, ngaran „Kartaněgri ”, noe hartina kitoe.

92. Basa Karta „Salamět ti biai, rahajoena tonggoj, basa něgri nja nagara oge ”, singgetna mah salamět nagri, teu aja balai, salamět rahajoe.

93. Kalěrěsan eta něnggěl teuing, asma no bareto, Kandjěng Dalěm anoe geus soemareh, Kandjěng Rahaden Adipati, Karta Nataněgri, noe parantos moepoes.

94. Sanggeus wapat Kandjěng Adipati, těgěsna geus maot, eta solokan teh iloe paeh, ěnggeus sababaraha lami, mangsa ieu djadi deui tambah hiroep.

95. Tina koela iloe soeka ati, basa eukeur nendjo, eta tjai anoe tadi paeh, mangsa ieu kadjait deui, koela moeka topi, njalamětkeun soekoer.


VI.


96. Pangkoer ajeuna kasěrat, rehna eta sělekan djadi deui, beunang diharěp geus tangtoe, matak djadi rahardja, ka sadaja Boemipoetra oerang lěmboer, noe kasorang koe soesoekan, moal wande pare djadi.

- 280 -
[ 281 ]97. Ti dinja těroes ka kota, Rangkasbitoeng moedji soekoer ka Goesti, rea panendjo noe asoep, kana pikiran koela, pikeun tambah salamětna Rangkasbitoeng, koela mondok di boemina, Kandjěng Dalěm Adipati.

98. Dina doea poě koela, oenggal isoek satěngah gěněp bidjil, něpi kana poekoel toedjoeh, koela pěpělěsiran, djalan-djalan moetěr kota Rangkasbitoeng, nendjoan djalan poetěran, salěga kota teu kari.

100. Djeung disawoer sapandjangna, koe karikil batoe anoe laleutik, sisina dilěmpěng djoekoet, siga djoekoet domdoman, beunang mabad ditendjona moetoer, aloes, sapandjangna dipagěran, kajoe hiroep geus djaradai.

101. Sadajana ditahangan, 'na simpangan pikeun noe asoep bidjil, sakoer djalan oenggal toengtoeng, atawa tikoengan, diajakeun gardoena teuing laloetjoe, djeung sakabeh imah-imah, lipět sabaraha kali.

102. Kaaloesan imah-imah, jen ditimbang ti asal basa tadi, keur tahoen salapan poeloeh, sarěng meh ieu teu kakara, mana miskin mana noe kaitoeng mampoeh, toeloej mikir deui koela, koemaha beunangna djadi.

103. Lamoen hanteu sasoenggoehna, reudjeung paksa marentah para abdi, ninggalkeun sakoer noe perloe, oepama maen kitoe mah nadjan reudjeung peurih peudjit ěnggeus tangtoe, Boemipoetra milampahan, oge tina sěbab adjrih.

104. Tapi dina sabalikna, koe ingetan koela dipikir deui, koemaha da apan woengkoel, sawah-sawah kaboeka, anoe tadi barěra ajeunan tjoekoel, pělak pare tambah-tambah, madjoe hanteu koerang tjai.

105. Djoeng angkat bae koela, keur neangan aja alamat anoe pasti, niitah batoer njogok loemboeng, kabeh aja eusian, malah rea parena noe masih pinoeh, alamat teu koerang těda, měgat sěnang para abdi.

VII.


106. Pangkoer gěntos ajeuna těmbang magatroe, harita beh aja sapi, kawasna sapi teh ma'loem, jen kaoela mikir-mikir, tetela neuleu pasěmon.

107. Kana sandi oepaja koela saestoe, tanda jen sapi ngarti pokna awon kapioendjoek, abdi njoehoen moegi-moegi, sadaja noe matak helok.

108. Dimanahan koe gamparan langkoeng djaoeh, krantěn mangsa, kiwari para abdi oerang lěmboer, hanteu soesah noe dibeuli, moerah pare bonteng djagong.

- 281 -
[ 282 ]109. Boga imah aja sawah leuit pinoeh, gamparan apan tingali, pare di dieu di ditoe, noe dipělak djararadi, rata dirambet djojos.

110. Sami sarěng sanes afdeeling nja kitoe, sawahna geus masing2 , dipělakan pare indjoek, moenggoeh pamanggih sim abdi, di dieu taja noe awon.

111. Pělak pare rata sarěng tambah madjoe, nja kitoe di sedjen district, satjěpěngan Banten kidoel, tangtos jen Kandjěng ningali kantěnan langkoeng ti helok.

112. District Sadjra, Lěbak sarěng Rangkasbitoeng, Paroengkoedjang, Malingping, eta anoe langkoeng aloes, jen ditimbang kota district, djeung onděrna matak kerok.

113. Tina sami imah-imahna araloes, soehoenan diwoewoeng goeling, limas koemoeroeb salajoe, dilaboer njetjes paroetih, djalan teu aja noe awon.

114. Keri kanan dibabad roebak doea roe, dina saloeraeun gili, mana-mana ěnggon soewoeng, paměgatan badak děngki poegoeh paměgatan meong.

115. Dangěut ieu taja kainggis saramboet, di eta těmpat noe tadi marga parantos diatoer, imah laloetjoe teh teuing, koemambang noe nendje.


VIII.


116. Maskoemambang ti pakidoelan djol soemping, doepi pangarasana, ngěrsakeun dikarang dangding, noeloejkeun noe keur oendjoekan.

117. Madak Kandjěng kirang pěrtjantěn ka abdi, soemangga tingalan, gamparan djěngkar sěpeksi, mariosan kadistrikan.

118. Djawab koela kana pioendjoekan sapi, heh sapi jen ěnja, kitoe dipikir koe kami, tempo toean Assitenna.

119. Kandjěng Toean Van Dijck keur di dieu tjalik, djeung Kandjěng Dalěmna, djěněngan dina bisioelt, Toemgoeng Prawira Koesoema.

120. Reudjeung tempo Kandjěng Assistenna deui, toean Pino tea, sarta djeung Kandjěng Boepati, noe ajeuna istirachat.

121. Toeměnggoeng Soeta Angoen-Angoen Boepati, eta doeanana hanteu nganggo sipat rachim, miderek ka rata koena.

122. Djaman Kandjěng Soeltan Bantěn naon sapi, maneh atjan matja, kitab ngaran goerat-garis, ditěmbangkeun basa Soenda.

123. Kawas-kawas karek ajeuna pinanggih, Kandjěng Assistenana, toean Van der Ven běrboedi, sarta arif bidjaksana.

124. Kandjěng Dalěm djěněng Raden Adipati, Soerja Nataningrat, noe milampahkeun kiwari, nganggo sipat rachim moelja.

125. Ari para Kandjěng anoe geus kaboeri, nganggo sipat rachman, pok sapi mioendjoek deui, abdi Dalěm hěnteu těrang.

- 282 -
[ 283 ]126. Kana sipat rachman sarěng sipat rachim, moegi loentoer manah, njoehoenkeun piwědjang abdi, bade ngartoskeun estoena.

127. Tina eta sapandjang djalan sapi, koe koela harita, beak dibere pangarti, těgěsna noe sipat rachman.

128. Enja eta kamoerahan soetji ati, soepaja abdina, timoe kasěnangan diri, sakabehna Boemipoetra.

129. Teu dititah hese tjape banting diri, dipěrih sasawah, dipěrih neangan hasil, dipěrdih imah tanggana.

130. Soepajana aloes pakarangan běrsih, titah rěsik djalan, pikeun anoe wara-wiri, imoet moetjoeng leumpang sěnang.

IX.


131. Kěmbang pitjoeng maskoemambanggeus kapoengkoer, sipat rachim eta, wělas asihing noe gěde, ka abdina kolot boedak sadajana.

132. Lamoen sapi atjan mangarti noe tangtoe, kanjataanana, kieu pisan misilna teh, saoepama hidji djělěma somahan.

133. Boga anak sanggeys kira meunang oemoer, satahoen satěngah di boeroean oelin bae, malah galib babasan, kěmbang latar.

134. Tina sěbab boedak mah sok kasrak-koesroek, teu aja baboean, djadi panjakitna koreng, malah pinoeh koe radang sakoejoer badan.

135. Djeung moetiktik beuteungna koe tjatjing pinoeh, boedak ěnggeus pajah, matana ge sěmoe paor, heg indoengna geuwat naheur tjai panas.

136. Eta boedak dimandian sore-isoek, gěten diroeroean, ditjoebitan korengna teh, boedak tjeurik gěgěroan djědjěritan.

137. Tonggoj bae koe indoeng hanteu digoegoe, malah ditambahan, koe oebar peurih nereptep, beuki woewoeh tjeurik rosa djeung njarekan.

138. Ajoeh-ajoeh ajam-djadah monjet bědoen, djitangkoëk tjia, indoeng ditjakar di gegel, tonggoj bae lain ngewa beuki njaah.

139. Boedak tjeurik djëdjëritan adoeh2 , si bapana njěntak, marah matana molotot, djeung mantoean bapana miloe njěkělan.

140. Ari indoeng djongdjon noe noerah ngabandjoer, bapa deui njěntak, njěkělna bari dipěntjet, boedak marah ka bapa malik njarekan.

141. Mata tjia ajam-djadah mioe2, tji bapa njarekan, naon dosa aing bangol, bapa seuri kaloetjon djeung tambah njaah.

142. Si anak teh leungit sieunna ka sěpoeh, tina kanjěrian djeung palěng djadina poho, něpi kitoe, ge lain dihadja.

143. Sanggeus dimandian ditanggahkeyn nginoem, ngoebaran tjatjingna, noe rasana pahit letek, alahmanan barata wah sarina.

- 283 -
[ 284 ]144. Eta anak teuing karasana ripeoh, geus repeh tjeurikna, bari inghak-inghak bae, eureun tjeurik eurih-eurihan ngaranna.

145. Koe indoengna dilahoen diair toeloej, malah ditěmbangan, bari djeung digeong-geong, boedak sěnang reup hees dina aisan.


X.

146. Doerma dongkap ajeuna poetjoeng ditilar, eta si boedak tadi, noe malarat badan, arina geus tjageur mah, radang moesna tjatjing leungit, koema rasana, saha noe ngeunah pikir.

147. Badan lintoeh panjakitna moesna ilang, tinggal sěnang nja diri, sěnang pipikiran, nja boektina ajeuna, djalma awewe lalaki kolot djeung boedak, dina ieu afdeeling.

148. Kolot boedak awewe lalaki sěnang, imah boeroean rěsik, mahmoer pare beas, samalah ka Pandeglang, saban Sěnen saban Chemis, ngabroel noe dagang, beas baratoes kampil.

149. Palěmboeran rame sarta araloesna, djeung rame dagang tani, koe bidjaksanana, noe agoeng kota Lěbak, tapi tadina noe leutik rasana soesah, migawe sědih pikir.

150. Oeroet soesah ajeuna ripoeh geus poenah, soesah anoe kaboeri, diparentah poeas, malarat karasana, ajeunana moeling-moeling, tinggal sěnangna, sakabej para abdi.

151. Sapi běngong barina djeung kětjap-kětjap, djiga neureujan tjai, kawas baranghakan, toeloej deui ditanya, naon maneh njaho sapi, oesoel-asalna, Kandjěng pamasa nagri.

152. Basa eukeur rek njieun kasadjahtraan, di saloear afdeeling, sapi pioendjoekna, noen soemoehoen teu těrang, sim abdi teu pisan ngarti, asal-moelana, nanging jen Kandjěng mambrih.

153. Katěrangan soemangga angkat laksana, djalan-djalan ngoeriling, neangan pasěpah hanten lila kapanggih.

154. Anoe kira-kira aja kanjahona, barang koela papanggih, awit koela nanja, naon pasěpoeh bisa, ngabedjaan anoe tasdik, asal-asalna, běndara ieu nagri.

155. Ngadjalankeun saniskara kahadean, dina ieu afdeeling, sabab ěnggeus njata, těrang samata-mata, oepama migawe toelis, njieunna kitab, sababaraha djilid..

156. Awitna teh eta noelis kitab2 , ngan make hoeroef hidji, sabab geus karoehan, eukeur dina heubeulna, ti sapoeloeh tahoen leuwih, anoe berdjalan, tambah-běrtambah deui.

157. Tapi dina sadjěroning opat lima, tahoen ka ieu něpi, tambah karahardjan, djeung tambah kaaloesan, sadjero ieu afdeeling, lipět-lipětan, pok wangsoelan kiai.

158. Noen soemoehoen kaoela awon oendjoekna, pangoening noe

- 284 -
[ 285 ]kapanggih, ti asal moelana, kantenan prantos aja, katawis jen diraradjin afdeeling Lěbak, nanging teu atjan djadi.

159. Karek němbe aja oge sawatara, malah kalima district, nja sakitoe pisan, karek sakadar chadjat, atjan radjin dirěrěsik, noe mangka sěnang, lambangsari kadangding.


XI.


160. Poepoeh lambang noe kasěrat, tiba-tiba sanggeus dongkap, Kangdjěng Assistent ajeuna. Toean Van der Ven djěněngan, ari Kangdjěng Boepatina, Dalěm Soerja Nata Ningrat, oenggal tahoen tambah-tambah, rahardja afdeeling Lěbak.

161. Nanging abdi teu tiasa, mioendjoek hidji-hidjina, namoeng manawi-manawa, tina sabab bidjaksana, anoe agoeng sadoeana, boektina kieu djadina, koemaha noe parantosan, kaoeningan pandjěněngan.

162. Ti dinja koela wangsoelna, beh pasěpoeh ari eta, pasal kabidjaksanaan, geus koedoe ka sadajana, jen lahir di alam doenja, paribasa noe běrakal, běrboedi ingětan limpad, djoemblahna opat pěrkara.

163. Anoe něrangkeun boektina ieu koela ngabedjaan:

A. mikir dina hatena,
B. ngadoega koe pangrasa,
C. awas mata kapala,
D. ngintip koe dedengean.

Naon anoe kaoeninga, tangtoe woedjoed di achirna.

164. Atas kanjataanana, jen pasěpoeh teu tiasa, make noe sakitoe eta, koemaha pasěpoeh bisa, njěboetkeun di alam doenja, angin sakoeliah djagat, ajeuna koela tjarita, kieu ti asal-moelana.

165. Noe djadi pameunang koela, geus toemanja ka sadaja, ka djalma noe ngalampahan, kana noe opat pěrkara, jen pasěpoeh ěnja soeka, njaho katěranganana, ieu sahidji-hidjina, noe mioendjoek ka kaoela.

166. Hidji abdi noe geus njaba, datang ka ieu nagara, geus njarita keur mangsana, basa tahoen noe kaloeang, dalapan poeloeh dalapan, keur moela-moela kaasta, ieu di afdeeling Lěbak, Kandjěng Assistent ajeuna.

167. Ngadenge omong di loear, Kandjěng Boepati ajeuna, ka Kandjěng toean oendjoekan, kaajaan imah2, di ieu afdeeling Lěbak, hanteu aja antarana, hidji-hidji djeung lianna, rapět těpoeng soesoehoenan.

168. Ngan saeutik palataran, di toekang djeung diboeroean, nadjan Kandjěng diparentah, soepajana pakarangan, bararěsih

- 285 -
[ 286 ]saheubeulna, 'mo hasil djadina, sabab migawena soesah, asring jen timoe katrangan.

169. Noe koedoe meunang hoekoeman, hanteu timoe katěrangan, saha anoe koedoe salah, sabab teu aja watěsna, hidji2 anoe boga, anoe koedoe ngarěsikan, kokotoran pakarangan, da taja watěs tjirina.

170. Tina eta asring pisan ,kadjadian Boemipoetra, meunang soesah panggih bahla, kajaning tahoen kaloeang, keur dalapan poeloeh tea, něpi ka tahoen hareupna, kabeh sasalad moeriang, panas tiris sangět pisan.

171. Babari pisan noelaran, ka noe rea reudjeung hebat, sakabehna djalma2, dina eta hidji desa, keuna koe panjakit panas, tandana tjek djalma rea, dina lěmboer Selapandjang, district Rangkasbitoeng pisan.

172. Tjatjah djiwana moeriang, paraeh kabeh teu aja, tina panjakit sasalad, djeung di lian-lian desa, masing-masing kadjadiam, chabarna afdeeling Lěbak, leuwih koerang noe kabilang, sabělas rewoe reana.

173. Sarta kadjaba ti dinja, meh bae rek saheubeulna, kadjadian lamoen aja, hidji imah kahoeroean, meakkeun saloear desa, tina sěbab balengketna, soesah mětakeun toeloengan, těmah toempěs sadajana.

174. Saparantos Kandjěng Toean, ngadangoekuen pioendjoekna, sakoemaha pihatoerna, Kandjěng Boepati harita, nadjan langkoeng pěrtjantěnna, tapi tina bidjaksana, atjan ngadjalankeun titah, hengga dimanah heulaan.

175. Malah satahoen heubeulna, marios djeung ningal-ningal, koemaha chal kaajaan, di tanah afdeeling Lěbak, nitenan koe andjeun pisan, tahoen dlapan poeloeh diapan, koela meunang bedja těrang, dina hidji pakoempoelan.

176. Běrhimpoenan sadajana, singgětna ěnggeus moefacat, pěrjogi dimimitian, dioeroes oepama aja, hidji lěmboer kahoeroean, koedoe diatoer sampoerna, tjara di tanah Priangan aloes manis katendjona.


XII.

177. Dangdanggoela katěmbangkeun deui, Kandjěng Toean aja pilahirna, kieu pangandikana teh, tjoba saja mamoehoen, soepaja Raden Adipati, bikin Soeatoe gambar, biar terang betoel, satoe kar matjem atoeran, akan pola jang mlati teratoer nanti, bikin boeat semoewa.

178. Wedana dan prijaji2 , soepajalah masing-masing pegang, itoe gambar aka tjonto, pola soepaja tahoe, dengan bisa djalankan

- 286 -
[ 287 ]ini, la mengatoer desa, radjin dengan bagoes, ti wates mangsa harita, wět hanteu sabaraha lamina deui, lěmboer katjilakaan.

179. Enja eta lemboer Bodjong lědis, kahoeroean district lew pisan, sim abdi neuleu koe maneh, djeung pagen eta tahoen, oge geus kadjadian deui, lěmboer noe kahoeroean, deui district tiloe, rengse teu aja noe tinggal, Enja eta Sadjra Lebak djeung Malingping, oenggal katjilakaan.

180. Ladjeng bae Kangdjeng Adipati, sareng Kangdjeng Assistenna pisan, angkat ka dinja marios, djeung njandak gambar toeloej, dipětakeun koemaha misti, kitoe kieu kědahna, mistina diatoer, kitoe pandoega djeung kira, djisim abdi nanging jen pinanggih sisip, njanggakeun kalepatan.

181. Boekti pisan achirna pinanggih, kadjadian saprantos kitoena, pilěmboeran noe bareto, tilas anoe kahoeroe, aja woedjoed dibangoen radjin, sae atoeranana, ditendjona aloes, sareng deut Boemipoetra, noe parantos kadjadian senang pikir, tina atoeran anjar.

182. Toeloej anoe sanes para abdi, pikirna teh nangtoekeun sadaja, katjilakaan eta teh, dongkap ti noe kapoengkoer, noe atoeran tjara bihari, djadi pra hamba-hamba, rea noe kapintjoet, harajangeun naroeroetan, tjara ieu atoeran djaman kiwari, sareng katambah-tambah.

183. Kasoeroeng koe radjining prijaji, noe parantos narampi dawoehan, ti Kangdjeng Assistent Risden, djeung Kangdjeng Rangkasbitoeng, eta model noe langkoeng gampil, dilaksanakeunana, sarta lamoen-lamoen, aja hidji doea djalma, di iěmboerna noe moengpang teu pati rapih, hanteu daek noeroetan.

184. Kangdjeng Toean djeung Kangdjeng Boepati, pilahirna ka kabeh ambtenaar, mana-mana noe teu daek, oelah dikoedoe-koedoe dipapaksa dimisti-misti, los koemaha di dinja, ana hanteu sanggoep. tatapi děmi achirna, eta djalma anoe teu daekeun tadi, wět ngolah koe manehna.

185. Pada gadoeh pikir kalingboeri, timboel napsoe noernet ka noe rea, sadjro doea tahoen rengse, koe prijajl diavoer, kareaan djeung teu di geuing, djalma kokolot desa, noe di toeroet saoer, denge sakoer tjarekna, mirěmpoegan manehna djeung senggoeh ati, kabeh oeroesan desa.

186. Malah-malah manehna pribadí, něda idin rek ngarobah desa, ka prijali noe djadi sen, ngarasa lěmboer koesoet, sěda noeroet ka noe raradjin, tjara lemboer noe llan, noe atoeran baroe, reng- gang hidji djeung lianna, sarta aja napsoe manehna pribadi ngadaměl pěrhijasan.

187. Djiga-djiga emhoengeun teh teuing, kaelehkeun koe batoer noe ren, těgěsna čmboeng dipojok, lian bae noe poegoeh, tjitjing matoeh di kota nagri, malahan sudajana, Roemipoetra kitoe, al

Citakan:Volksalmanak Soenda

  1. (¹) Beuteung sahandapeun boedjal.
  2. (¹)Papah lima diteangan dina roepa² wordenboek teu kapëndak. Dina boekoe Nieuw Piantkundig Woordenboek voor Nederlandsch-Indie, karangan P. S. A. de Clercq katja 228, dina no. 1257 aja tapak-liman, sok dipake oebar mooriang.
  3. .(¹) Pare pibiniheun anoe dipoena kitoe, biasane tara herang jeung sok semoe hawook, henteu tjara pare dahareun tea, herang djeung leuwih enaj Deuih roopana oge. Sok aja anoe maroe pare pibiniheun dina pelester atawa dina boeroean ampe dibalaj; ota gorong atoeran teh. Sabab, toehoerna ngagĕntak teuing.
  4. (¹) Pare pibiniheun anoe dipoena kitoe, biasane tara herang joung sok semoe² hawook, henteu tjara pare dahareun tea, herang djeung leuwih enaj deuih roepana oge. Sok aja anoe maroe pare pibiniheun dina pelester atawa dina booroean ande dibalaj; eta goreng atoeran teh. Sabab, toehoorna ngagentak teuing.
  5. (¹) Anoe diseboet: saroea tea.
  6. (¹) Tanda koedoe ditoelis koe mangsi dina eta plakzegel, nja kitoe deui titimangsana koedoe ditoelis dina eta plakzegel koe mangsi, pikeun noedoehkoun waktoena dipake.
  7. Di Tjirebon, Kooningan djeung Madjalengka, aja deui potongan gogodong anoe disarěboot goedelmeted. Bangoenna meh tjara tjeuli moending poeles. Kawasna eta sababua meureun, noe matak disěboet kitoe oge, tjara tjeuli eneng poles.

    Poeradirědja

  8. Kintoenan djoeragan Kalipah Apo, Bandoeng.
  9. Asalna Mina basa Djawa, karangan Mas Djolari Hardjohatırodjo