Wawacan Purnama Alam I

Ti Wikipabukon
Wawacan Purnama Alam I  (1956) 
by R. Soeriadirědja
[ Sampul ]

WAWACAN
Purnama alam I

[ Judul ]

WAWATJAN

Purnama Alam

R. Soeriadirĕdja

..

DJILID I

Tjitakan katilu




Dinas Penerbitan Balai Pustaka

Djakarta — 1956

[ i ]

Kaluaran :
DINAS PENERBITAN BALAI PUSTAKA

Tjitakan katilu
Pertjetakan : Balai Pustaka
Teknik buku : Bagian Layout.

P. P. No. 132
Hak pangarang ditangtajungan ku Undang-undang


Rp. 22,50

[ ii ] Patali kana seueurna anu marundut sangkan Wawatjan Purnama Alam dikaluarkeun deui, nja ajeuna němbe ‘tiasa njumponan. Djabi ti eta sangkan ulah seueur teuing euda nu awitna 7 djilid, ajeuna mah mung didaměl dua bae.

 Djilid kahidji didjadikeun Ku djilid I dugi ka IV, djilid kadud didjadikeun ku djilid V dugi ka VII,

 Ku kituna Wawatjan Purnama Alam nu sakawitna dugi ka djilid VII teh, ajeuna mah mung dua dijilid.

DINAS PENERBITAN BALAI PUSTAKA

Djakarta, April 1955. [ 5 ]1. Dangding Sunda sakadjudi, titisan ti pupuhunan, beubeunangan,soson-soson, kěkěl kana tatarosan, ti bangsa nu budiman, prabudjangga djuru lagu, nu paham kadongkarian.

2. Ari ieu nu digurit, lampah menak djaman kuna, masih kaom buhun keneh, wantu alam kadewaan, suměmbah ka sangiang, mundjungna ka sang rumuhun, njambat ka para batara.

3. Beunang nungtik ti leuleutik, njunat-njatět ti bubudak, tataros ti kolot kahot, djuru dongeng alam kuna, ajeuna ditukilna, disusurup kana lagu, ditulad didjieun babad.

4. Manawi bae ngadjadi, ku sadaja dimaranah, didamĕl tjonto lalakon, kana geusan kamulusan, djalan kasalamětan, satungtung njandangan hirup, rumingkang di pawěnangan.

5. Di ieu babad teu sepi, anu murka nu satia, kabeh watĕkna katangen, sarta leuwih-leuwih nista, ngeunahna tugěnahna, gandjaran nu mulus laku, naraka nu lampah murka.

6. Wiwitan anu digurit, aja sahidji nagara, gĕde sarta leuwih rame, ngaran nagara Riskomar, dina djaman harita, kamashur ku tina unggul, ti saban nagara lian.

7. Kĕrĕta sartana mukti, henteu aja kakurangan, sumembor ka nagri sedjen, tina kamuljaanana, sagala kahasilan, samalah enggeus kasebut, huluwotan dajeuh lian.

8. Ari nu djadi narpati, ratu di nagri Riskomar, Sri Maha Dewa Pramajon, kongas adil palamarta, pintĕr sugih tur gagah, loba ratu anu taluk, djadi bawah parentahna.

9. Kagungan putra sahidji, Sang Ratu ti prameswara, pamĕgĕt kalangkung kasep, dina djaman harita mah, kongas ka sabuana, kakasihna nu kamashur, Pangeran Purnama Alam.

10. Istu kasep taja tanding, djadi mustikana rupa, bawaning ku langkung sae, asup kana paribasa, ku urang nagri eta, tina pada nadah lutju, disebut tjahaja dunja.

11. Keur kasep katambah lantip, nětěpan kasatriaan, taja bubudening [ 6 ]goreng, wantu bener kusumahna, njĕkĕl karaspatian, lungguh pantjuh wuwuh ampuh, njĕgah sakur lampah salah.

12. Ngan aja ku saperkawis, pasangaran salirana, nu narik kana tjotjogeh, lantaran leuwih kasepna, loba nu kaedanan, asal kapintjut kairut, istri-istri sadajana.

13. Nadjan nu boga salaki, ngadadak menta ditalak, hajang ka Pangeran Anom, tapi arambon sorangan, taja nu dilawanan, kantun ngabarěrung napsu, murudul abrul-abrulan.

14. Tatapi Sang Putra tigin, henteu bingbang teu kagembang, ku istri anu tarembong, nutup andjeun di kaputran, lenggah di pagulingan, buku anu digugulung, nalek sakur kitab-kitab.

15. Sabab anu dipigalih, gampang lampah kalatjuran, hese mun ngalap pangartos, bagbagan kasasmitaan, margi langkung kĕkĕlna, njurupkeun ka djĕro kalbu, njangsangkeun kana pangrasa.

16. Tambah harita geus njangking, papantjangan baris garwa, pangreremo Sang Narpatos, Kaswati djĕnĕnganana, putri nagri Ambarak, rudjuk sĕpuh pada sepuh, djalan hajang bebesanan.

17. Tatapi matak ngadjadi, sumpeg galih Sang Sri Nata, aringgis reremo bĕdo, ku sabab Pangeran Putra, tatjan kersa garwaan, da keur djunun ngalap elmu, palaj djěmbar pangawasa.

18. Mungpang ka pangersa Gusti, Pangeran Purnama Alam, teu kĕrsa djadi panganten, ka putri Ratu Ambarak, malah aja saurna, kadjeun dihukum digantung, dibuang ka těmpat anggang.

19. Djeung tinimbang kana kenging, ku rama dipaksa nikah, kadjeun ngalolos ngaleos, njingkiran ka nagri lian, kitu manah Sang Putra, atuh Ratu wuwuh ewuh, sumawonna prameswara.

20. Turug-turug sering nampi, sĕrat ti Ratu Ambarak, ka kĕrsa Maha Narpatos, ngangkĕran nikahkeun putra, tina ĕnggeus sěděngna, nikahkeun nja mulung mantu, ka Sang Pangeran Purnama.

21. Eta leuwih-leuwih djadi, sumpěg galih Sang Sri Nata, ari areke nĕda bědo, tinangtu djadi isinna, ku Sang Ratu Ambarak, malah tangtu aja tungtung, kana marga kaawonan.

22. Kadangkala sami lali, bawaning nular tjetjela, awal ahir hudjan pelor, wantu sami djĕmbar manah, ngambah ing danalaga, pada tjukup bataliun, sami tĕdak senapatya.

23. Sareng kadua pěrkawis, kasumpěg Sri Maha Radja, marga Sang Pangeran Anom, ku Radja geus kauninga, matak gujur nagara, ngusutkeun pikir nu lĕmbut, njusahkeun para kapala.

24. Gudjrud awewe sanagri, pada nandang kaedanan, paroho ampir [ 7 ]garelo, sok aringgis djadi matak, sangar nagri Riskomar, Ratu langkung paur kalbu, inggis bahja kumaonam.

Sinom

1. Harita Sri Maha Radja, keur linggih di srimanganti, sarĕngan parameswara, dideuheusan ku papatih, Arja Gundara Pati, teu lami Ratu ngadawuh, eh Patih marga kakang, njaur teh arek badami, hal pěrkara si udjang Purnama Alam.

2. Estu matak djadi susah, ngarudětkeun kana ati, karasa dua pĕrkara, gumantĕng di sanubari, ari anu ngadjadi, kana tunggara kabingung, kahidji nu geus njata, Ki Purnama Alam mungkir, ka Kaswati nampik teu daekeun nikah.

3. Djeung kadua pĕrkarana, kakang leuwih-leuwih risi, ku watĕk Purnama Alam, bĕt matak njangarkeun nagri, geus manggih bedja sidik, awewe pada kairut, tagiwur uru-ara, teu tolih boga salaki, pada datang ngahĕlaran ka kaputran.

4. Eta leuwih matak susah, pasti djadi gujur nagri, baruntak djĕroning kota, asal hanteu repeh rapih, abdi-abdi nu leutik, tangtu tagiwur timburu, moal aja lulusna, djeung pasti moal sak deui, matak nungtun bahja ka Purnama Alam.

5. Tah eta kuma pĕtana, kakang leuwih susah ati, tjing ajeuna kakang menta, pirĕmpug Ki Arja Patih, akal geusan lastari, nu bakal ngabĕndung bingung, mukahkeun kasusahan, hanteu lami Arja Patih, njembah hurmat ngawangsul ka Sang Sri Nata.

6. Abdi dalĕm nampi pisan, kana sadaja panglahir, pasal ngagĕm kasumpĕgan, kěrsa Dalĕm nu sajakti, ku abdi dalĕm kering, sakalintang marga ewuh, mung katur permuhunan, jaktos putra Dalěm mugi, ulah waka dipaksa kana garwaan.

7. Bokbilih dina ahirna, putra Dalĕm hanteu djadi, kana marga kalulusan, pista ka putri Kaswati, ngabongankeun di ahir, ka kersa Dalem nu estu, tangtos wuwuh kewuhan, kana salěběting galih, putra Dalĕm Sang Sunu Purnama Alam.

8. Amung manawi rěmpag mah, klajan kersa Dalĕm jakti, sae djudjur kahojongna, ngalap sipat ilmi-ilmi, haliah lahir batin, njusul paněmu nu luhung, geusan kawiludjĕngan, teu lami Ratu ngalahir, nadjan kakang teu pisan rek ngahalangan. [ 8 ]

8

9. Kana maksud Ki Purnama, jen njiar bangsa pangarti, malah djadi kabungahan, ngan nja eta anu djadi, ku ěmbung boga rabi, kadua ku matak gujur, anu bakal ngagoda, awewe nu djadi iblis, kasetanan narik lampah kalatjuran.

10. Tatapi lamun rêmpug mah, reudjeung Ki Aria Patih, ka kakang bareto aja, hidji wiku menta idin, tjitjing di těpiswiring, tanah pangawatan kidul, di gunung Gurangsarak, menta djadi guru santri, rek ngamalkeun kitab papagon agama.

11. Ku sabab eta ajeuna, pamaksud kakang pribadi, pěrkara Purnama Alam, arek didjurungkeun indit, sina di wiku tjitjing, minangka buang ka gunung, pasantren Gurangsarak, sugan sanggeus djadi santri, purun nikah ka Putri Ratu Ambarak.

12. Djeung kadua pěrkarana, ku kakang anu dipambrih, arek dipake tanggêlan, awad ka jaji Narpati, njuhunkeun tempo deui, Purnama arek disêbut, keur nudju ngalap kitab, elmu panêmu di rêsi, rek dipake daku ka Ratu Ambarak.

13. Arja Patih ngawangssulan, mênggah abdi dalêm jakti, katur sakalintang rêmpag, kana sadaja panglahir, amung kêdah didjagi, bilih ngalolos teu puguh, ti gunung Gurangsarak, saur Ratu bênêr Patih, poe isuk anteurkeun ku sarerea.

14. Ajeuna kudu sadia, gulang-gulang para mantri, nganteurkeun Purnama Alam, ka rêsi paguron santri, reudjeung ajeuna misti,. nitah mantri buru-buru, ka gunung Gurangsarak, mawa surat keur ka Rêsi, mere têrang baris datang Ki Purnama.

15. Sanggeus nimbalan Sri Nata, ladjêng miwarangan mantri, njaur Sang Purnama Alam, gantjangna anu digurit, Pangeran Putra sumping, ngadeuheus ka pajun Ratu, lênggah barêng djeung sêmbah, hanteu lami Sang Narpati, ngadawuhan ka Radja Putra Purnama.

16. Eh udjang Purnama Alam, anak ama buah ati, anu matak ditjalukan, ama teh arek badami, ku sabab leuwih-leuwih, ama nandang pikir sukur, bungah taja padana, nendjo ka udjang pribadi, djunun wêkêl kana ngalap pangabisa.

17. Malah geus djadi utama, njangking harti pilih tanding, tur mashur satia rasa, ama leuwih bungah ati, ngan aja anu djadi, kana ngaburungkeun sukur, matak rempan pikiran, ama manggih bedja sidik, jen udjang teh matak tagiwur nagara.

18. Ku sabab eta ajeuna, purun teu purun ge misti, udjang teh

saheulaanan, ulah aja di djro nagri, samemeh boga rabi, kudu masantren [ 9 ]

9

ka wiku, di gunung Gurangsarak, těmpat djauh sarta suni, itung-itung njingkiran kabalahian.

19. Djeung kadua pěrkarana, ama enggeus tampa deui, pangangkěr Ratu Ambarak, nikah teh ngadjakan gasik, di bulan hareup misti, ku ama ěnggeus diwangsul, něda tempo heulaan, disebut udjang keur ngadji di pasantren Rěsi gunung Gurangsarak.

20. Anu matak kudu pisan, udjang teh ulah rek mungkir, masantren di Gurangsarak, poe pageto nja indit, dianteur ku pramantri, Sang Putra njěmbah ngawangsul, ka rama Sri Mahradja; djeung tumungkul langkung adjrih, abdi Gusti mung katur sadaja-daja.

21. Sumědja kumambang pisan, kana sugrining panglahir, mios ti dajeuh Riskomar, ka padesan těpiswiring, gunung liwung nu rumbit, měnggah abdi gusti estu, sumawontěn parěkna, dipangkonan dampal Gusti, nadjan těbih raratan meuntas lautan.

22. Abdi Gusti tumut pisan, ing siang kalajan wengi, Sri Maha Ratu ngandika, sukur udjang hanteu mungkir, ajeuna sing tarapti, beberes djeung urus-urus, bawaeun barang uang, ulah aja anu kari, barang- barang pangeusi karang kaputran.

23. Saparantos ngadawuhan, sadaja bubar ti puri, sědjana sasadiaan, ari nu didjurung indit, ngiberan ka Sang Rěsi, Raden Mantri Děndaturu, miosna tunggang kuda, kawantu djalanna těbih, tudjuh poe djadjahan ku anu leumpang.

24. Ari Pangeran Purnama, lain djadi ngangrès galih, jen nampi dawuhan rama, teu kenging aja di nagri, anggur leuwih ngadjadi, nandang gumbirana kalbu, ari nu djadi sabab, pangbingah lantaran těbih, reudjeung anu rek maksa kana garwaan.

25. Gantjangna ieu tjarita, tunda nu aja di nagri, katjatur di Gurangsarak, ngaran pasantren Pramanik, kenging ngalandi rěsi, dimashurkeun ngaran kitu, ari djěněnganana, eta anu djadi rěsi, kongas nělah Sang Rěsi Muhamad Kurbah.

26. Kamashur ka mana-mana, Rěsi pasantren Pramanik, pupudjaan menak-menak, sipat masalah nu muskil, nu rumbit dina ati, elmu kalawan paněmu, baris dunja aherat, didadar didjieun hasil, dibuktikeun pěrtata pasal pěrtjeka.

27. Tani tigin hanteu tuna, djudjur madju ngadjar ngadji, ngadjadi

pandita hardja, hanteu kurang harta harti, padamělan binangkit, bangsa ngarara ngaraut, sarta ukir-ukiran, ngadjeudjeut djeung ngamandjait, pintěr ngatur ngendah-ngendah palataran. [ 10 ]

Dangdanggula

  1. Waktu eta pasantren Pramanik, langkung-langkung djěmbar sarta hegar, taja bangsana pasantren, tina pintěrna guru, njieun tjonto ka santri-santri, měntakeun hal ihtiar, malar sěnang hirup, nandangan dikamuljaan, katjaturkeun eta Sang Wiku Pramanik, kagungan hidji putra.
  2. Putra istri sarta leuwih geulis, kakasihna Sang Dewi Kania, tatjan kagungan tjaroge, geulisna estu pundjul, mandjing basa lir widadari, juswana kira-kira, limawělas tahun, endah taja papadana, sarta pantěs disěbut mustika istri, waktu djaman harita.
  3. Eukeur geulis kawuwuhan radjin, pěrtjekana sagala iasa, sipat papagon awewe, kasar mori teu wudu, turug-turug sabar tur lantip, sabab watěk kalimah, wantu putra wiku, ngagěm djatining Patimah, sarta nitis sumari di sanubari, dianggo salawasna.
  4. Ěnja eta kasětyaan galih, ampuh timpuh lungguh hade lampah, sareseh sae bubuden, tjangkěr singěr tur akur, jasa basa djeung tata-titi, mun ka semah someah, tindak undak-usuk, balabah gěde wiwaha, sarta surti kana sagala pěrkawis, elmu kasasmitaan.
  5. Ari tata-titi leuwih rintih, tindak-tanduk teu aja awonna, estu mo aja nu něndeng, marga alusna mulus, malah loba rěsi nu sumping, djeung menak nu uninga, ti nu djararauh, ngalamar Dewi Kania, sami wirang lantaran hanteu ditampi, ku putri Gurangsarak.
  6. Tangtu pandjang lamunna ditulis, biněkasna Sang Dewi Kania, mustika putri pasantren, katjatur Maha Wiku, waktu eta linggih di masdjid, djeung sakabeh muridna, ngawuruk bab nahu, djeung sagala kitab-kitab, sakumaha papagon elmuning rěsi, anu keur dimuradan.
  7. Hanteu lami utusan ti nagri, Děndaturu ka pasantren dongkap, barang ku wiku katangen, kaget sartana muru, djeung sakabeh prasantri-santri, tjungtjong nu marundjungan, hormat ka tatamu, ku Wiku ladjěng disambat, eta Mantri ditjandak ka djěro bumi, barina mamandapan.
  8. Linggihna ge dipasang alkětip, djeung pahibut pada dangdan-dangdan, alur tědak nu katamon, linggih papajun-pajun, mantri Děnda sarěngan Rěsi, kitu deui garwana, hibut urus-urus, dangdan keur leueuteunana, djeung tuangeun njisih-njisih baris Mantri, Njai Dewi Kania.
  9. Mantri Děnda barang ret ningali, ěnja eta ka Dewi Kania, hookeun teu pětot měntjrong, kagetna langkung-langkung, da saumur kakara
[ 11 ]manggih, mungguhing kageulisan, nu sarupi kitu, barang tuang ge hanteu am, da kasima ku ningali anu geulis, datang ka ngutjur kesang.
  1. Hanteu lami Sang Rěsi ka Mantri, těras naros sarta kieu pokna, pun paman kalintang kaget, wirehing ku saumur, kasumpingan djuragan Mantri, istuning langkung reuwas, wantu anu dusun, titisan těrah padesan, mugi-mugi djuragan enggal wawarti, naon margina lěnggah.
  1. Sěmu aja nu bade digalih, Mantri Děnda těras ngawangsulan, měnggah kang putra sajaktos, margana aja pěrlu, ka kěrěsa kang rama Rěsi, wireh nampi dawuhan, ti Sri Maha Ratu, ngabantun sěrat ka rama, hanteu lami sěrat ku rěsi ditampi, sarta kieu ungělna.
  1. Wiku Kurbah pasantren Pramanik, marga kula ngirim ieu surat, malar wiku těrang bae, kaula menta tulung: pangdjaringkeun masing utami, ku piwulang pituah, djalan geusan mulus, anak kula Ki Purnama, pamaksudna rek masantren di Pramanik, ngadji elmuning kitab.
  1. Rek diadjar elmuning susutji, pěrdjalanan pěrtata agama, teteskeun sing hade-hade, sarta ku rêsi kudu, djaring dina beurang djeung peuting, bisina luluntaan, njaba ka nu djauh, eta ulah meunang pisan. Ki Purnama kana dibere paidin, tjaram sabeunang-beunang.
  1. Ngan sakitu kula paměrědih, salam kula Ratu di Riskomar, Narpatos Dewa Pramajon, barang Rěsi geus tutup, ngaos sěrat pasihan Gusti, langkung-langkung bungahna, teu eureun nunuhun, raos tina dipěrtjaja, hanteu lami njarios ka Raden Mantri, Wiku Muhamad Kurbah.
  1. Aduh-aduh paman nindih takdir, njorang mangsa kamuljaan badan, sabobot kěton saewon, kagunturan ku wahju, taja tanding kabingah ati, nampi pangěrěsana, Sang Sri Maha Ratu, nimbalan ka diri paman, Sang Pangeran kědah diaping, didjaring, kěrsana ngaos kitab.
  1. Rebu-rebu nuhun lahir batin, rek dianggo sarta diuninga, marga kamaasan bodo, Raden Mantri ngawangsul, margi eta ajeuna mugi, kang rama kědah pisan, dintěn ieu ngutus, beberes ngosongkeun těmpat, anu gěde pondok atanapi bumi, keur pilinggiheunana.
  1. Tina margi sumpingna pinasti, roa njandak sipat barang-barang, saeusi kuputran bae, rentjang-rentjang mo kantun, moal tjěkap ku těmpat alit, Sang Rěsi ngawalonan, paman hanteu ewuh, ku těmpat pikeun lěnggahna, tina margi awon-awon mah sajagi, rorompok patamuan.
  1. Sabadana Sang Rěsi wawarti, ladjěng njaur ka santri sadaja, ngembarkeun maparin njaho, bakal sumping Sang Sunu, dimistikeun kabeh prasantri, kěrna Allah seseka, ngored djeung sasapu, beberes dipatamuan, santri-santri barang nampi saur Rěsi, těras pada ubiag.
  1. Ngadjalankeun parentah Sang Rěsi, nu sasapu sawareh nu mulas,
[ 12 ]

12

nu ngome pagěr djeung ngored, sarta kabeh teu suwung, hanjang geura Sang Sunu sumping, tina sabab kawěntar, jen kasep pinundjul, palikirna hajang geura, ngabuktikeun kasep gumilangna sidik, ulah bět wungkul bedja.

20. Ari eta Mantri teh teu lami, saěnggeusna tarapti harita, ti pasantren mulih bae, katjaturkeun Sang Wiku, ka garwana těras wawarti, djeung ka Dewi Kania, kudu urus-urus, baris njondongkeun Sang Putra, njumanggakeun Dewi Kania ka Rěsi, sarta těras popolah.

21. Henteu susah wantu anu radjin, turug-turug di bangsa nu aja, njanga-njanga ngueh-ngueh, tunda anu di gunung, kotjap anu aja di nagri, dina waktu harita, ěnggeus sami kumpul, nu bade djadjap Sang Putra, mantri-mantri geus kumpul di pantjaniti, kuda pating haroang.

22. Abdi-abdi anu beunang milih, anu bědas nanggung barang-barang, sawareh anu ngagotong, Radja Putra katjatur, nganggo-nganggo di djěro puri, saenggeusna sadia, Kangdjeng Ratu njaur, eh udjang Purnama Alam, didungakeun ku ama sing tereh hasil, nja ngalap pangabisa.

23. Kaduana kudu eling-eling, kana laku lampah nu biasa, kade kasongler ku goreng, sabab enggeus kamashur, mungguh diri udjang pribadi, njekěl kasatiaan, djeung elmu paněmu, ku sabab eta pamuga, sing tumuluj mulus laku wěning ati, anggang djeung pantja-baja.

24. Sang Sri Nata sabada ngalahir, ngahajohkeun ka Pangeran Putra, da geus ninggang dawuh hade, Sang Putra njěmbah sudjud, sarta těras lungsur ti puri, tunggang kana kaderah, kantjana nu murub, panabur sipat sosotja, intěn mirah mutiara tingkarětip, matak serab nu ningal.

25. Ladjeng djengkar nu ngiring pramantri, sadajana sami tunggang kuda, ngaleut pungkureun Sang Anom, di sisi djalan pinuh, ku awewe reudjeung lalaki, ku sabab geus kawěntar, putra Kangdjěng Ratu, Pangeran Purnama Alam, bade ngalih ka pasantren Paramanik, djalma pada midangdam.

26. Tunda heula anu ti nagari, tjatur deui di pasantren tea, waktu eta dipatamon, geus beres sarta pinuh, ku parabot papaes bumi, di pajun pasang medja, korsi bangku lampu, pigura dipasang-pasang, hanteu dusun kawantu resi běrbudi, njonto tata nagara.

27. Tengah bumi dipasang alketip, ěrak-ěrak sarta medja kěnap, kapsětok djeung eunteung gěde, gunalong djeung kulambu, hanteu aja kurang sahidji, pěrhias patamuan, baris putra Ratu, di pajun bunděran kembang, pagěr ngělir sarigsig diombak tjai, pantěs karang kaputran.

28. Turut sisi puring katjapiring, didjadjaran ku pot rupa-rupa, malati gambir ergulo, sakur sěkar nu harum, ngadalingding bidjil wawangi, [ 13 ]

13

katjatur Wiku Kurbah, harita geus maphum, tangtu dina poe eta, sumpingna teh Sang Radjaputra ti nagri, Sang Rěsi dangdan-dangdan.

29. Kěrsa mapag ka anu rek sumping, sanggeus sikep nganggona tras djěngkar, djubah gading sorban hedjo, satri-santri teu kantun, sami. ngiring ka kěrsa Rěsi, bade mapag Sang Putra, ti gunung murudul, kawantu santri ratusan, sami make badju bodas ikět njudir, samping poleng bolegbag.

30. Katjaturkeun anu ti nagari, geus pasanggrok Sang Putra waspada, sidik ka urang pasantren, Pangeran Putra Sunu, barang ningal sidik ka Rěsi, lungsur tina kaderah, sarta těrus muru, ka eta Sang Rěsi Kurbah, sanggeus djongok těras hurmatan babakti, njěmbah bari mundjungan.

31. Kitu deui kabeh santri-santri, marundjungan ngalap barkat sunat, ribut dugi silisered, malah loba nu labuh, da ngingětkeun timbalan Rěsi, mangsa anu milampah, sunat sungguh-sungguh, tinangtu meunang gandjaran, diasupkeun kana sawarga di batin, moal njorang naraka.

32. Sabadana marundjung teu lami, Wiku Kurbah njarios djeung rěndah, ka eta Pangeran Anom, pun paman anu estu, sinarěngan praabdi- abdi, marga ka dieu dongkap, wireh langkung-langkung, tina ageng pamaksadan, hajang mapag kalajan sumědet ati, hajang enggal patěpang.

33. Radjaputra ngawangsul ka Rěsi, rebu-rebu kang putra nuhunna, miwah djadi bingah raos, ama lunturing kalbu, kěrsa mapag pěrtawis asih, rido ama ka putra, Sang Wiku ngawangsul, kemutan marga bubuhan, wadjib katur bakti pinton sětya ati, kawuwuh rada djagdjag.

34. Marga eta sumangga pamugi, enggal-enggal ka pasantren lěnggah, sajagi karang patamon, gantjangna nu ditjatur, Radjaputra sarěng Sang Rěsi, djěngkar ti těmpat eta, murudul ka gunung, njaratjat teu tutunggangan, sabab deukeut satengah pal moal leuwih, ka pasantren ti dinja.

35. Nadjan těbih moal burung něpi, nadjan anggang moal burung datang, ka pasantren geus torodjol, kana patamon nudju, hanteu lami sami lalinggih, di bandjar-patamuan, Sang Putra djeung Wiku, mantri- mantri hanteu tinggal, geus majunan bangsa tuangeun nu amis, djeung sakur bubuahan.

36. Katjaturkeun harita Sang Rěsi, sadjěroning lenggah hanteu kendat, kaget ningal ka Şang Anom, djeung mudji dina kalbu, jen saumur kakara manggih, nu sakitu kasepna, paingan kamashur, sok matak gujur nagara, sadajana sami kapintjut prasantri, ku Pangeran Purnama.

37.Kitu deui sakabeh prasantri, beres mando pajuneun Sang Putra,

sarta narandangan kaget, naringal ka Sang Sunu, tina langkung kasep [ 14 ]

14

teh teuing, katjatur Wiku Kurbah, teu lami piundjuk, ka Sang Pangeran Purnama, djeung diwuwuh ku pasêmon Jeuwih adjrih, mehmehan samar basa.

Asmarandana

1. Pun paman undjuk tingali, mênggah kalênggah gamparan, marga sakalintang bae, wangkid ieu ngagaduhan, gumbira pipikiran, kagunturan wahju sukur, njingkur tina kasukěran.

2. Lěbět ka basa kiwari, ngambah di sagara bungah, kalênggahan gamparan teh, sarêng sadaja djuragan, raos diangkěn pisan, dilajad djadi kamaphum, têmpat maas padusunan,

3. Amung kantun bingah ati, ngahormat mah teu tiasa, margi sagala kasěpen, gamparan lintang uninga, roa ka teu saean, bubuhan di těmpat gunung, hanteu aja kaanehan.

4. Sang Radjaputra ngalahir, beu ama bêt montong aja, saur raos kirang sae, sakieu ge sakalintang, tina kautamian, sanes tata harkat gunung, kaja endah kadajeuhan.

5. Nadjan putra taja pikir, dongkap ngalap pahormatan, amung maksad nu sajaktos, sumědja njěnangkeun badan, neangan kawarasan, mepes napsu anu kusut, rêrêgêd di alam dunja.

6. Sarêng kadua pěrkawis, manawina lêdjar manah, ama didaměl paguron, mênggahing ku diri putra, tinā putra kalintang, nandangan marga kabingung, ngalantung di pawěnangan.

7. Teu lami ngawangsul Rěsi, pun paman nampi dawuhan, kalintang njêgêrkeun hate, margi kasembor ku bingah, gamparan aja manah, tigin kana hojong maphum, kana elmu nu mangpaʻat.

8. Amung pun paman sajakti, rumaos teu kumawčrat, didamêl kana paguron, ngemutkeun roa kakirang, dupi bade ngaos mah, amung sumědja kahatur, kitab-kitab di pun paman.

9. Nadjan pasantren Pramanik, sadaja-daja pun paman, teu pisan gaduh rumaos, anggap-anggap ngagaduhan, gamparan nu kagungan, sarawuh diri sakudjur, gamparan anu miwělas.

10. Gantjangna anu digurit, saparantos sasauran, sadaja bubaran bae, lêlêson sami amêngan, para mantri sadāja, murudul sami ngalantung, ningalian palataran.

11. Ngan Radjaputra pribadi, hanteu kagembang aměngan, lěnggah [ 15 ]

15

di bumi patamon, kira pukul tilu siang, kulēm di pagulingan, gugah pukul opat nudju, siram di bak patamuan.

12. Hanteu lami para mantri, saenggeus ngaronda těmpat, téras deui ka patamon, katjatur poe isukna, paramit ka Sang Putra, bade ka nagara wangsul, mělang nilar padamělan.

13. Sang Putra maparin idin, ka sadaja nu pamitan, gantjang sami mulang bae, murudul tarunggang kuda, ti gunung Gurangsarak, katjaturkeun anu tugur, ngarentjangan Radjaputra.

14. Hidji djongos hidji koki, djeung gandek tukang seseka, ngadjaga kotor parabot, kaopat djuru simpěnna, sagala barang-barang, reudjeung kalima minatu, bisi kotor panganggona.

15. Sang Radjaputra kawarti, harita nudju Djumaah, didaměl wiwitan ngaos, kana sakur kitab-kitab, pakih badjuri sulam, tasaup djeung terus nahu, tadjwid sapinah bidajah.

16. Tara di madjlis di masdjid, ngaosna Sang Radjaputra, hanteu ingkah ti patamon, Sang Resi nu ngadongkapan, saban pukul dalapan, dongkap kana pukul satu, tjara tata nu sakola.

17. Wantu-wantu seukeut galih, tjaang padang gampang ilham, waridan tereh kahartos, tětěs njari dina rasa, wantuning ti tadina, djuru djunun njiar elmu, mahamkeun di pagulingan.

18. Bawaning ku tigin galih, kana hojong enggal jasa, tara lungsur wungkul ngaos, kaluarna ngan ka djamban, di karang patamuan, djadi sagala teu maphum, kaajaan Gurangsarak.

19. Samalah ti barang sumping, Sang Radjaputra Purnama, tara aměngan lělěson, sakitu geus kalamian, aja tilu sasihna, teu atjan ka bumi Wiku, malah ka masdjid ge tara.

20. Atuh urang Paramanik, loba anu tatjan terang, ka eta Pangeran Anom, djaba ti santri sadaja, anu bareto mapag, anu terang ka Sang Sunu, tina kakasepanana.

21. Dewi Kania kawarti, anu kukuh kapengkuhan, mustika putri pasantren, harita teu atjan těpang, sareng Pangeran Putra, wantu tara lungsur-lungsur, Sang Kania ti bumina.

22. Ngan wungkul lungsur ka tjai, ku bawaning kèkěl manah, kana nalek ngalap hartos, malah-malah sumawonna, bangsa kasebut semah, pribumi ge tjarang tepung, sareng Sang Dewi Kania.

23. Kitu anu djadi margi, teu těpang sareng Sang Putra, malah waktu sumpingna ge, Kania teu jasa měgat, ti djalan patamuan, sabab Sang Dewi keur nudju, rarepot ku padamělan.

24. Turug-turug rada těbih, kira lima puluh tumbak, kahalangan ku [ 16 ]

16


kakajon, ti bumi Sang Wiku Kurbah, ka karang patamuan, kawuwuhan sami pěngkuh, taja djalan jasa těpang.
25.  Reudjeung manahna Sang Dewi, njangkana ka Radjaputra, rupi sambarangan bae, bangsa menak-menak lian, nu geus sumping ka dinja, margina tatjan ngadangu, kamashuran Radjaputra.
26.  Djeung adatna leuwih-leuwih, tara kagetan rendjagan, mun těpang djeung paměgět teh, reretna siga rek nitah, sasapu mitjeun runtah, djeung sěmu arek mitutur, kana djalan kabageuran. 27.  Harita keur nudju linggih, didjro kamar pagulingan, saliren ti damêl pawon, ngarenda turub banedja, duaan djeung bibina, saderek ibuna estu, ngaran Hamiah tur randa.
28.  Ahli beberes luluis, teu kěndat njěta ngawanda, sabab keur běger pamindo, sarta-sok pageuh rasiah, wantuning Nji Hamiah, nudju umur těngah tuwuh, geus paham kana pertimah.
29.  Dewi Kania mimiti, ngitjip-ngitjip kana tara, pasaling serong kahojong, ajeuna. djadi sulaja, kabawa ku mokaha, asal kagunturan tjatur, ku gujur nu uar-uar.
30.  Djalma-djalma di Pramanik, pada njěbut sumping menak, kasep matak moho nendjo, kitu katjapanganana, sakabeh urang ditja kadangu ku anu pěngkuh, djadi mědar panasaran.
31.  Kairid ku nu pupulih, kapikat ku nu tjarita, kabongroj ku nu ngaromong, tungtungna nja aja manah, kana hajang uninga, ka rupi nu dipigujur, teu lami těras mariksa.
32.  Alon sarta imut manis, Sang Dewi ka Nji Hamiah, tjatjarios ngaharewos, inggis kadangu ku rama, bok-bilih djadi matak, bubuhan nu djadi wiku, kêkêl nyekel kaharaman.
33.  Saurna tjing embi kuring, wartosan nu saenjana, ulah ditjampur ku banjol, rupina nu sumping tea, Sang Pangeran Purnama, estu djadi gujur mashur, tina kasaeanana.
34.  Sakur nu geus taringali, njarěbat mustika rupa, matak serab anu nendjo, kaduhung kuring teu mêgat, dina waktu sumpingna, da eta atuh ku ribut, baris njadiakeunana.
35.  Nji Hamiah barang nguping, pamariksa Sang Kania, seuri djeung těrus ngawalon, naha atuh Njai bongan, hanteu njělang ka luar, abong keur didaměl ribut, hanteu jasa kasalsean.
36.  Sakitu nja rada lami, ngadêg lěbah katja-katja, eta Sang Pangeran Anom, malah ka dieu majunna, lir aja nu ditingal, embi mah awas kalangkung, ningal tina sisi empang.
37.  Sidik teu djalir ti warti, hanteu sulaja ti bedja, kasepna Pangeran [ 17 ]Anom, ĕmbi mun maksud neangan, sadjagat moal mêndak, nu kasep mandean kitu, asup kana paribasa.

38. Lir Dewa turun ti langit, pêdaran ti sawarĕga, rupi matak serab nendjo, paingan aja bedjana, matak gujur nagara, istri loba nu kapintjut, ku Sang Pangeran nonoman.

Sinom

1. Ngahulĕng Dewi Kania, margi nguping wartos sidik, pĕrtelaan Radjaputra, jen bĕnĕr kąsepna leuwih, manahna tambah deui, kana hojong geura maphum, tĕras deui mariksa, sarĕng kumaha nu mawi, kawas-kawas eta, Sang Pangeran Putra,

2. Sok tara angkat amĕngan, sakitu nja ĕnggeus lami, malah ka masdjid ge tara, bedjana ti para santri, bět asa lungguh teuing, Hamiah seuri ngawangsul, ĕnja bĕnĕr teu salah, malah tjeuk djongos djeung koki, tara lungsur ti djro bumi patamuan.

3. Lungsurna ukur ka djamban, kitu bae siang-wĕngi, pok deui Dewi Kania, tjing atuh urang arintip, ti kĕbon anu suni, nu awas ka emper pungkur, suganna kaparĕngan, Sang Putra angkat ka tjai, pura-pura urang ngala bubuahan,

4. Barang eukeur sasauran, torodjol Sang Rĕsi sumping, mĕntas ngawuruk Sang Putra, ka Kania seug ngalahir, ajeuna Njai misti, popolah baris pupundut, ka Pangeran Purnama, sēbutkeun Njai pribadi, nu babakti sugan djadi kasaean.

5. Sanggakeun ku Nji Hamiah, ulah ku Njai pribadi, isin ku Pangeran Putra, pek ajeuna gasik-gasik, bisi kaburu burit, Dewi Kania ngawangsul, njumanggakeun ka rama, sarta harita teu lipi těras bae popolah baris babakta.

6. Tunda Sang Dewi Kania, tjatur Sang Pangeran deui, di bumi keur nudju lênggah, dideuħeusan hidji santri, saderek Maha Rĕsi, umur tilu puluh tahun, ngaran Ahmad Sêmbada, ngaduda teu boga rabi, langkung-langkung diasih ku Radjaputra,

7. Sonagar bisa tjarita, dongeng-dongeng matak seuri, ngagĕrahkeun anu susah, samalah sok pada nuding, bodorna Paramanik, bawaning ku pada lutju, teu lami Radjaputra, ka Sĕmbada seug ngalahir, aeh mamang Sĕmbada kuring rek nanja.

8. Sabab kuring tatjan trang, ari ki ama Rĕsi, iang kagungan [ 18 ]putra, sakieu nja ěnggeus lami, teu ngadenge teu manggih, nu kasěbut putra wiku, naha hanteu kagungan, Ahmad Sêmbada teu lami, ngawangsulan ka Radjaputra Purnama,

9. Pun lantjeuk gaduheun pisan, putra istri amung hidji, wasta pun Dewi Kania, teu atjan gaduh salaki, Sang Putra njaur deui, nu mana kuring teu maphum, djeung naha teu manggihan, sakieu nja ěnggeus lami, ngawangsulan Sěmbada ka Sang Pangeran.

10. Manawi roa pamběngan, pun anak anu sajakti, hěnteu marěk ka gamparan, bubuhan awewe sisi, teu kenging sina tjitjing, dipuuk ku damêl ribut, ngala tjai kukumbah, beberes djeung běběrěsih, mirun seuneu nutu ngisikan popolah.

11. Njaur deui Sang Pangeran, naha bět katjida teuing, ngadjar teh satêngah njiksa, datang ka teu meunang tjitjing, lir ka nu beunang meuli; tungtungna kuru ku ribut, kumaha mun kapapas, dirina djadi ririwit, raragana ngajakas rupana pias,

12. Kitu saur Sang Pangeran, bawaning ku leuwih-leuwih, nandang kateu-panudjuan, mun ěnja kitu teh Rěsi, ngadjar ka putra istri, hadena piundjuk palsu, djidjieunan Sêmbada, ngewěskeun titisan sisi, kaluasan paladjaran di padesan.

13. Gantjangna ieu tjarita, barang ae nudju wawarti, djěbul Nji Hamiah dongkap, ngabantun baris babakti, pasakan djeung nu amis, wadahna lodor djeung sangku, dina baki kuningan, ari bangsa anu amis, ku banedja sarta dina piring gělas.

14. Ditanggeuj ku Nji Hamiah, djeung disanggakeun sakali, ka pajuneun Radjaputra, Sang Radjaputra ningali, sarta bari ngalahir, mariksa ka nu pupundut, eta teh nu ti mana, bêt asa kakara panggih, ngawangsulan Hamiah ka Sang Pangeran.

15. Ieu ti abdi gamparan, seuweuna pun lantjeuk Rěsi, wasta pun Dewi Kania, hatur lumajan babakti, Radjaputra ngalahir, atuh rebu-rebu nuhun, ngan naha Nji Kania, hanteu datang ku pribadi, kula hajang papanggih da tatjan těrang.

16. Sarerea mah geus datang, nu aja di Paramanik, nareahg manggihan kula, pada misono miasih, teu kěndat beurang peuting, maraksud harajang wawuh, ari Njai Kania, abong-abong teuing santri, tigin magon haram papanggih djeung budjang.

17. Naha ditjaram ku ama, atawa ku bibi Rěsi, ulah rek manggihan kula, Nji Hamiah hanteu lami, ngawangsul langkung isin, abdi gamparan nu estu, sanes kitu margina, nu mawi hanteu dumugi, ngadeuheusan měnggah ka lěnggah gamparan. [ 19 ]18. Amung marga karepotan, gamparan lintang tingali, roa-roa padamělan, sarĕng kadua pěrkawis, sanggĕm pun anak isin, Sang Purnama Alam njaur, ih bět matak handjakal, teu beunang didjieun wargi, make aja babasan era ku kula.

19. Ngan ajeuna pendekna mah, bedjakeun bae ku bibi, ka Njai, Dewi Kania, kula ku hajang papanggih, bisi kaburu balik, tina sabab tatjan puguh, kula di dieu lila, masantren bumĕtah mukim, Nji Hamiah ngawangsul undjuk sumangga.

20. Barang geus tamat wawarti, Pangeran Putra teu lami, luměbět ka pagulingan, njandak ti djěro almari, hidji sindjang djeung duit, baris mulang nu pupundut, sindjang sutra katojan, pasung tulis pulas gading, sawat tabur sĕkar gambir nu sumiak.

21. Ari duit dua dinar, Sang Radjaputra ngalahir, ka eta Njimas Hamiah, ieu selehkeun ku bibi, samping sartana duit, ka Kania djuru akur, lumajan keur babasah, Nji Hamiah njĕmbah nampi, sarta bari pamitan gantjangna mulang.

22. Sang Radjaputra Purnama, teu lami ngalahir deui, ka eta Ahmad Sĕmbada, Kania ku mamang mugi, kudu pisan pepeling, ulah bět datang ka kitu, lingas ěmbung manggihan, teu beunang didjieun wargi, ulah aja basa rempan kumaonam.

23. Reudjeung kumaha rupana, mana dusun-dusun teuing, ngawangsul Ahmad Sěmbada, mĕnggah emutan sim abdi, mo kantos dipepeling, supados geus aja saur, tangtos ka dieu dongkap, amung gana milahir, mariksakeun rupi pun Dewi Kania.

24. Djisim abdi teu tiasa, ngundjukkeun rupi pun Dewi margina rumaos pisan, wantu alo djisim abdi, ěngke bae tingali, tindakna sarěng pamulu, dina parantos dongkap, Pangeran ngalahir deui, boa teuing ěmbungeun ka dieu datang.

25. Tunda Sang Pangeran putra, anu eukeur guněm warti, kotjap Sang Dewi Kania, keur lĕnggah di djěro bumi, sarĕng Sang Maha Rěsi, ibuna deui teu kantun, ngantosan Nji Hamiah eukeur njanggakeun babakti, maranahna kumaha dawuhanana.

26. Teu lami djĕbul Hamiah, geus asup ka djěro bumi, njampeurkeun ka Sang Kania, djeung bari teu kěndat seuri, bangun nu suka ati, sarta njodorkeun kikintun, ka Sang Dewi Kania, nja eta sindjang djeung duit, ieu Njai pasihan ti Radjaputra.

27. Ditjandak ku Sang Kania, barang braj dibuka sidik, uang reudjeung hidji sindjang, Sang Dewi Kania leuwih, nandangan bungah bari njĕbat nuhun-nuhun, kitu deui ibuna, djeung ramana naringali, lang [ 20 ]kung bungah jen putra nampi pasihan.

28. Dibeber disampaj-sampaj, ditilik dibulak-balik, dalingding wawangen dupa, nantjĕb ka galih nu geulis, njari di sanubari, djadi emut ka nu ngintun, geugeutna kana sindjang, tungtungna tjĕlĕtit njiwit, bari imut kana pingping Nji Hamiah.

29. Hamiah těras njarita, tapi ěmbi nandang isin, ku Sang Pangeran Purnama, lantaran Njai pribadi, teu beunang dipiwargi, hanteu pisan muru-muru, datang ka patamuan, ti barang Pangeran sumping, hanteu aja tanda bungah disumpingan.

30. Samalah tadi suarna, munguhing Njai teh misti, ngadeuheus ka patamuan, saurna ku hajang pangih tong aja pikir risi, ragab rempan djěro kalbu, da puguh djeung baraja, kaduana pada santri, tah sakitu dawuhan Sang Radjaputra.

31. Ngawalon Dewi Kanja, kuring mah supaja idin, ti ibu sarěng ti ama, estu moal burung teuing, siang atawa wěngi, ngadeuheusan buru-buru, ka Sang Pangeran Putra, Sang Rěsi těras galah, nja djig bae ama mah mo ngahalangan.

32. Balikanan teu něpangan, dusun abong urang sisi, teu aja basa sonagar, tangtu pada nuding-nuding, kana basa kiwari, alus tangtung djědjěr lisung, ŝonagar di tětělar, sirna pikir ngambah pasir, di nagara gura-giru ku kaera.

33. Ibund deui wawarta, atuh iguh bae Njai, dumeuheus ka Radja putra, ajeuna kaburu burit, djeung kadua pěrkawis, eta sindjang nu kakintun, kudu pake isukan, malar sina katingali, tanda bungah djeung hormat ka nu masihan.

34. Gantjangna ieu tjarita, Dewi Kania teu rugi, numutkeun saur ibuna, teu katjatur waktu wĕngi, kotjap isukna deui, dikira geus pukul tudjuh, Dewi Kania rěntag, surser salěběting galih, hanteu pěgat isin samemeh patěpang. [ 21 ]1. Ladjěng siram ngasaj sartana teu rusuh; djasmani seungit ti tadi, kawuwuh ku harum sabun, atuh beuki ngadalingding, ngelehkeun minjak rosbalon.

2. Sanggeus siram ka bumina buru-buru, meresan rambut luluis, djeung ngatja njunjurup sanggul, galing muntang bidjil djabing, tembang kurabu montjorong.

3. Diraksukan tabur giat sěkar, tandjung, dasar bodas sutra ipis, geulang mas dukět ngagěbur, wantu-wantu beunang njangling, sindjangna nu ti Sang Anom.

4. Dipanitih panabur sosotja mantjur, keur geulis katambah luis, nungtun sĕmu ti kadatun, nindih rupi nu ti puri, lir tagog nu ti karaton.

5. Njai Dewi Kania barang geus tutup, tina pagulingan bidjil, disaur ku rama ibu, Sang Rěsi Jadjěng ngalahir, eh Dewi Kania ěnong.

6. Tjoba dangu ajeuna ama mitutur, poma-poma masing eling, ngadeuheus ka bangen luhur, titisan těrah narpati, mungguh Sang Pangeran Anom.

7. Kudu leuwih tata-titi tindak-tanduk, babakti hurmat djeung tadim, lampah djaga saur ukur, ulah sok darapon lahir, lampah běngong omong songong.

8. Kaduana poma-poma pisan ěnung, djaring pikir bisi Lali, jen Njai ěnggeus kasěbut, anak anu djadi rěsi, bisi ngadolos nu awọn.

9. Tah sakitu subaja ama ka ěnung, pek ajeuna geura indit, reudjeung Nji Hamiah kudu, Dewi Kania teu lami, djĕngkar ka karang patamon.

10. Nji Hamiah nanggeuj keur baris pupundut, bubuahan rupi-rupi, wadahna banedja kaju, budidaja djěrukbali, tjěngkir bapang buah gědong.

11. Ka patamon geus sumping těras ka dapur, tjuringhak djongos djeung koki, ngarandjug djuru sasapu, buntjělik nja tukang ngistrik, olohok djuru kokosok.

12. Kaget ningal nu geulis asup ka dapur, nu manis sumoing ti pipir, Sang Dewi Kania njaur, imut wantu amis budi, ka koki minatu djongos.

13. Aeh paman di mana Pangeran Sunu, sumĕdja ngadeuheus kuring, gantjang ki koki ngawangsul, sumuhun linggih di bumi, duka ngaos duka ebog.

14. Saur Dewi Kania tjing tjoba atuh, undjukkeun jen aja kuring. [ 22 ]

22

ka kĕrsa Pangeran Sunu, njumanggakeun koki gasik, ka djěro bumi patamon.

15. Radjap ka nudju lĕnggah dina bangku ningali koki ngalahir, arek naon maneh maksud, Wimban ngawangsylan koki, ka kĕrsa Pangeran Anom.

16. Djisim abdi sumĕdja gaduh piundjuk, margi kadongkapan istri, putrana Sang Maha Wiku, bade ngadeuheus babakti, ajeuna aja di pawon.

17. Radjaputra teu lami tĕras ngadawuh, ka dieu kituh Nji Dewi, ulah bět tjitjing di dapur, tuluj koki indit deui, ngêmban dawuhan Sang Anom.

18. Ka Sang Dewi Kania koki pihatur, sumangga lĕnggah ka bumi, timbalan Pangeran Sunu, Dewi Kania teu lami, lêbêt ka bumi patamon.

19. Barang braj teh Sang Dewi mukakeun pintu, lumĕbĕt ka djro bumi, njĕmbah emok mando tungkul, reret pinutra ningali, kaget hanteu wêleh mêntjrong.

20. Bari njaur dina salĕbĕting kalbu, aeħ-aeh kutan geulis, lain patut anak wiku, lain rupi anak alim, sorot tagog ti karaton.

21. Satingkahna njĕmbah diuk hanteu dusun, titih rintih lir ti puri, kitu manahna Sang Sunu, wa Sang Dewi, sarta teu lami marios.

22. Aeh-aeh Njai Kania ku kitu, sakieu nja ĕnggeus lami, naha bĕt kakara "tjunduk, sakitanan dipěrědih, ku urang karang patamon.

23. Taja tanda buru-buru ngaku dulur, abong-abong putri alim, alim ngaku alim akur, alim sono alim panggih, alim teh katotolojoh.

24. Putri Resi imut sartana tumungkul, hanteu ngawangsul ku isin, ku nampi saur Sang Sunu, njeukseukan bawaning pusing, da bongan kěndor misono.

25. Radjaputra tina bangku enggal lungsur, ngalihna kana alkětip, nu dianggo ku tatamu, njakĕtan supaja. sidik, djongokna kira sakodok.

26. Radjaputra estuning teu suwung-suwung, ningal neuteup ka Sang Dewi, kagungan manah saumur, gumĕlar di alam lahir, ngambah ka saban karaton.

27. Hanteu mĕndak nu geulis mandean kitu, matak njari kaña ati, matak tagiwur nja napsu, matak ririwit nja diri, matak kabongroj nja nendjo.

28. Tungtungna mah Sang Radjaputra laliwung, ku tina kapĕtik galih, kaadjul lĕbĕting-kalbu, ku mustika Paramanik, bati rampohpoj ku rujroj. [ 23 ]1.  Putri Rěsi kitu deui, ningali ka Radjaputra, amung ku reret sakědet, njaur sadjěroning manah, saumur němbe měndak, anu kasep tjara kitu, endah meakkeun nu lian.

2.  Hanteu djalir tina warti, hanteu beda tina bedja, hanteu geseh ti nu lemek, kasepna ieu Sang Putra, pěrtjaja mun kieu mah, sok matak gumujur ibur, istri-istri kaedanan.

3.  Estu djatining lalaki, tajoh mustikana rupa, kasep matak moho nendjo, paingan djěněnganana, mashur Purnama Alam, da tjahajana ngagěbur, lir kaja bulan purnama.

4.  Ganjangna anu digurit, Njai, Sang Dewi Kania, tungtungna papěntjrong-pěntjrong, sami kawisaja rasa, geus pada maen sotja, dibarung imut pangirut, bubuden nu ngaladenan.

5.  Sami njari Hina ati, pada njagsang dina rasa, hanteu geseh njantel hate, Njai Sang, Dewi Kania, sarua sisiakan, putra djudjur istri pulur, geus djadi kěmbar pamalar.

6.  Tatapi sami teu wani, paměgět nu asa-asa, istri komo tukang hese, kawuwuh pada pudjaran, ngan kantun sasauran, wantu-wantu pada dusun, kana geusan kaluasan.

7.  Radjaputra hanteu lami, wawarti alon tur tata, aringgis negtog salah pok, dumugi njutat babasan, lir pikeun ka sasama, tina hanteu rempan kalbu, ěngkang ngabasakeunana.

8.  Aeh ěnung Njai Dewi, marga ku ěngkang diala, rakan teh arek wawartos, supajana Njai těrang, lalakon diri ěngkang, sababna nu matak tjunduk, ka pasantren Gurangsarak.

9.  Karasa tilu pěrkawis, leuwih-leuwih nandang susah, ku bodo katotolojoh, lantaran ěngkang ku bongan, gěde teuing kadunjan, abong katungkul ku hirup, kakěnjang ku pawěnangan.

10.  Leungit titisan ti aki, ilang těrah pupuhunan, agama dimore more atuh ěngkang njorang bahja, ngadjadi bodo kěmba, hěnteu miruruh kawěruh, tara ngala pangawasa.

11. Kadua ěngkang keur njangking, lara djěroning pangrasa, taja papadana bae, djalanan Engkang kasurak, kw djalma anu tjurang, guju pada njěbut-njěbut, tukang njangarkeun nagara.

12.  Diprisi pulisi, dipibingbang ku kapala, padjar ěngkang djuru [ 24 ]pelet, sok ahli ngeret ngirutan, kawas ka bangsa setan, njangka ngadji elmu buhun, halna hěnteu pisan-pisan.

13. Asa beunang ngati-ngati, risi, mangsa njorang salah, tapi aja-aja bae, nu djadi goda rantjana, Njai ge tangtu tĕrang, nu djadi sababna gujur, turug-turug ĕngkang baha.

14. Nu asih dipulang sĕngit, mu njaah dipulang moha, ĕngkang ngodolos běděgong, běđang ku ĕmbung garwaan, ku sabab tatjan hajang, atuh ěngkang teh ditundung, dibuang ka Gurangsarak.

15. Teu meunang tjijing di nagri, ĕngkang ku kĕrsa Djĕng rama, kudu aja di pasantren, hukuman sangar djeung baha, eta kitu sababna, bilih ĕnung hanteu maphum, raratan ĕngkang sorangan.

16. Djeung ari nu djadi margi, Engkang, teu purun garwaan, tina ku rumasa bodo, da rĕsĕp keneh ihtiar, neangan pangabisa, meungpeung keur ngalarap hirup, ngambang di bangawan njawa.

I7. Itikurih njiar harti, ngalap pěrtata sasmita, papagon pangeusi hate, ka bangsa para budiman, nu ninggang kasampurnan, nu ngagĕm elmuning luhung, nu geus djĕdjĕm kapahingan.

18. Leuheung lamun boga rabi, ka nu djĕmbar pangabisa, ngaběngkot rebo ku hartos, pulunganeun ati ĕngkang, hal bagbagan agama, itung njalindung ka gĕlung, wajahna lara ku era.

19. Pikir ĕngkang nu sajakti, mungguhing waktu ajeuna, teu heroj ka urang gědong, teu hajang nu di pamĕngkang, ari dikira-kira, teu matak ngawuwuh elmu, nja nambahan pangabisa.

20. Kadjeun ririwit ku njĕri, nalangsa nadahan lara, njorang kana baja maot, tinimbang ĕngkang djeung beunang, kana dipatjang-patjang, da lain rek ngarah untung, kana sipat barang-barang.

21. Kadjeun nindih kana pati, balangsak djroning alas, djadi gandek di pasantren, sugan dianggo lumajan, didaměl tukang adan, djeung sambian ngalilipur, anu djadi kasukĕran.

22. Ngan ajeuna ĕngkang mugi, paparin panglědjar manah, piwĕlas Njai nu jaktos, mungguhing ka diri ĕngkang, tina ĕngkang keur nandang, kalimpudan ku kabingung, ku Njai geuwat tulungan.

23. Sugan bae awal ahir, ĕngkang bagdja aja kadar, dina pepes lipur hate, geus njingkir ti kasukĕran, ĕngkang mulang tarima, njebor ku sakudjur tangtung, mulang, ku pangrasa badan.

24. Dewi Kania ngaharti, kawantu istri budiman, elengeh djeg mere sareh, ngawangsul ka Radjaputra, duh Gusti djĕng Pangeran, pěrkawis eta pangdawuh, estu kalangkung ahengna.

25. Mĕnggah dipikir ku abdi, sakalintang marga bĕrat, tjotjogeh [ 25 ]gamparan jaktos, moal kenging dikon yan, upami kasawat mah, uduneun dina panĕku, matak geseh piangkatan.

26. Sarĕng gamparan milahir, mundut deudeul pĕrtulungan, mĕnggah ka abdi nu bodo, abdi-abdi ku tiasa, nu lintang hina papa, djuru dusun urang kampung, ngadeudeul lĕnggah gamparan.

27. Amung abdi nu sajakti, bubuhan nampi timbalan, sumědja kumambang bae, ngalandongan kaewuhan, manawina tiasa, mung ajeuna pamit wangsul, barĕmpag sarĕng pun bapa.

28. Upami parantos kenging, dumeuheus deui kantĕnan, ngalahir deui Sang Anom, ih Njai ĕngke heulaan, ĕngkang teu tatjan tamat, mitutur awit kabingung, muka djalan kasusahan.

29. Ku ĕngkang ĕnggeus kapikir, nadjan ngiděr sabuana, baris landong djuwĕt hate, rasa ĕngkang moal meunang, ari lain Njai mah, ajeuna oge geus puguh, karek gok mirasa sĕnang.

30. Reudjeung deui montong Njai, gana-gana kumawawa, ka kolot waka ngarewong, kudu timbang-timbang heula, kana minangsaraja ulah rusuh tjatur gĕruh, ĕngke sĕpuh mah tungtungna.

31. Sang Dewi ngawangsul deui, bilih teu atjan kamanah, margi abdi enggal soteh, barĕmpag sarĕng pun bapa, rempan ningal kasawat, bilih tungtung hanteu puguh, salĕmpang sĕrong ahirna.

32. Imut Pangeran ngalahir, ih atuh sukur katjida, ari njantel dina hate, geus njangsang kana pangrasa, heg atuh geura mulang, djeung ieu lumajan ĕnung, tjandak wang sapuluh dinar,

33. Minangka panjĕtjĕp ati, buruhan gampang nampanan, mĕrĕsen hade bubuden, Sang Dewi Kania těras, njêmbah nampi pasihan, diwuwuh dilak panglutju, reudjeung imut pangirutan.

34. Dewi Kania seug mulih, geus mĕdal ti patamuan, mulih ka bumi pasantren, katjatur anu ditilar, Radjaputra Purnama, kapintjut ku nu geus wangsul, kagĕndam ku semah mulang.

35. Manah ti balik pangeusi, asal pĕngkuh djadi rutjah, awit djědjěm djadi ngetjom, taja deui nu katjipta, wungkul Dewi Kania, siang wĕngi nandang wujung, reh inggis hanteu laksana.

36. Duh aduh djungdjunan ati, kĕmbang sotja buah manah, nu geulis panutan hate, ieu ĕngkang njorang baja, nandang sangar pangrasa, nudju kalampud ku bingung, naradjang gĕring pikiran.

37. Awit kabadi ku budi, asal kasibat ku basa, djadi meulit kusut hate, daek-daek ĕngkang pědjah, lamun hanteù laksana, pasti undur tina hirup, lantaran kabaluasan.

38. Katumbiri sumping wĕngi, kuwung-kuwung nguběng bulan, naha [ 26 ]hanteu mĕlang ĕnong, ka diri ĕngkang nu lara, anu eukeur ngumbara, ngalantung ngangandung bingung, lalĕwang pikir njoreang.

39. Kakara saumur hurip, ngalara tunggara rasa, bandjir rarambuning hate, kadangkala kapisanan, nadahan kalampusan, bawaning ku susun-susun, nandangan kabaluasan.

40. Aringgis hanteu katjangking, salĕmpang bok hanteu beunang, aduh mustika pasantren, Kania nu kaniaja, wani nibakeun ngandjang gugup gurunggusuh, bĕt abong istri nonoman.

41. Urang budjĕngkeun pěrkawis, ieu hal Pangeran putra, anu keur nandang prihatos, ĕntong pandjang ditataan, ĕnggen-ĕnggening brangta, bilih bosěn nu ngadangu, kotjapkeun bae enggalna.

42. Putra putri geus ngahidji, rendengan sami sukana, malum anom pada anom, tandingan sami geugeutna, siang wêngi teu pisah, runtut-rukun matak lutju, wuwuh rĕsĕp anu ningal.

43. Katjatur geus rada lami, Sang Dewi djeung Radjaputra, kira geus sapuluh poe, tina waktuna nikahna, harita nudju lĕnggah, di pajun daměl ngawuruk, ka raji Dewi Kania.

44. Elmuning haliah lahir, aksara etang-etangan, djeung sagala basa bae, sipat elmuning sakola, ku Sang Radja Pinutra, hanteu kaliwat kaliru, panĕmu saaja-aja.

45. Katurug-turug Sang Dewi, katjida pisan maksadna, kana naros soson-soson, ngalap pangartos Sang putra, bangsa kasasmitaan, djunun sarta gampang njurup, wantu ninggang ka nu padang.

46. Pandjang lamunna ditulis, pĕrtata panganten anjar harita Pangeran Anom, těras njaur hidji rentjang, pangkatna djuru-seka, nu kamashur ngaran Djamus, rentjang tjandak ti nagara.

47. Sang Radjaputra ngalahir, eħ Djamus maneh ajeuna, wajahna sorangan bae, kudu leumpang ka nagara, njanggakeun ieu surat, ka kĕrĕsa Kangdjĕng Ratu, sambian maneh balandja.

48. Barangbeuli di nagari; sakur nu taja di urang, bangsa barang-barang toko, Ki Djamus nampi dawuhan, sartana ngawangsulan, njumanggakeun ka pangdawuh, gantjangna nu ditjarita.

49. Isukna Ki Djamus indit, ti pasantren Gurangsarak, ngĕmban dawuhan Sang Anom, sikêp dangdanan utusan, ka nagara Riskomar, Borangan teu mawa batur, ludeung wantu djalma dugal.

[ 27 ]

Sinom


  1. Tunda anu keur didjalan, katjatur Sang Sri Narpati, di karaton nudju lĕnggah, dideuheusan ku papatih, djeung sadaja pramantri, sami-sami gunĕm saur, ari anu diwarta, ku Djeng Gusti Sri Narpati, amung putra Pangeran Purnama Alam.
  2. Tina ĕnggeus kalamian, dietangna tudjuh sasih, djana di Gurangsarak, Sri Maha Ratu ngalahir, ka Raden Arja Patih, diwuwuh pasĕmon měsum, eh Patih marga kakang, njaur teh arek badami, hal pěrkara si udjang Purnama Alam.
  3. Geus tudjuh bulan lilana, ajana di Paramanik, pikiran kakang ajeuna, Ki Purnama leuwih-leuwih, keur aja di nagari, ku matak salĕmpang bingung, sieun kumaha onam, Ki Purnama ngandung ati, boga rasa dibuang dikaniaja.
  4. Aringgis kabaluasan, bawaning njěri brěk gĕring, atawa tina teu bětah, ngaleos ka sedjen nagri, kana těmpat balai, uprak-apruk hanteu puguh, da balik ka dieu mah, sieuneun ku kakang pasti, tah sakitu kakang teh nja kasalĕmpang.
  5. Djeung kadua pĕrkarana, kamari geus tampa deui, surat ti Ratu Ambarak, ka kakang ngagasik-gasik, bulan ajeuna misti, tina sabab beunang ngitung, njalamětkeun barudak, Ki Purnama ka Kaswati, tina sabab geus liwat ti pěrdjangdjian.
  6. Kakang tatjan ngawalonan, ku sabab susah teh teuing, baris ngawalonanana, ari arek tempo deui, era geus minděng teuing, ari arek hanteu tulus, siga naon rupana, lain pakeun di Narpati, aja tata njotjo hanteu pěrěnah.
  7. Tina sabab beunang kakang, ngareremo ti leuleutik, sarta geus aja panjangtjang, pěrtanda kana ngadjadi, sabab do'a teh teuing, rudjuk sĕpuh pada sepuh, ajeuna geus ngangkĕran, tina ěnggeus liwat djangdji, tah kumaha Ki Patih eta pětana.
  8. Raden Arja ngawangsulan, kaulanun dawuh Gusti, manawina karĕmpagan, dintĕn endjing abdi Gusti, sumĕdja ka Pramanik, manawi kenging diwudjuk, Sang Pinutra Purnama, sarĕng bade mĕrih pati, ka pandita manawi mĕntal wulangna.
  9. Saur Ratu sukur pisan, sugan-suganna ku Rĕsi, beunangna Purnama Alam, dipituah diwěwěling sugan ngingětkeun wadjib, doraka
[ 28 ]teu nurut guru, kitu anu dipalar, hade isuk Patih indit, ka pasantren Paramanik Gurangsarak.
  1. Gantjangna nu ditjarita, barang Ratu keur wawarti, Ki Djamus rongheap dongkap, ngadeuheus ka pajun Gusti, barang geus katingali, Ki Djamus ku Kangdjĕng Ratu, langkung bingah manahna, ngadĕg sartana ngalahir, eh si Djamus djeung saha maneh teh datang.
  1. Djamus njĕmbah ngawangsulan, mung pribados abdi Gusti, kalajan margina dongkap, wireh abdi Gusti nampi, dawuhan putra Gusti, Pangeran Pinutra Sunu, ngabantun ieu sĕrat, bade ka dampaling Gusti, duka Gusti hanteu aja badaratna.
  1. Sěrat diaos ku Radja, ungĕlna anu kagalih, nja eta Sang Radjaputra, piundjuk kagungan raji, ka putra Maha Rěsi, kadua nu dipiundjuk, marga kawiludjěngan, linggihna di Paramanik, djeung njuhunkeun hibar du'a Kangdjĕng Radja.
  1. Saparantos ngaos sĕrat, kangdjěng Gusti Sri Narpati, sakalangkung harĕněgna, sadjongdjongan teu ngalahir, dugi mĕdal tjitangis, njaur salěběting kalbu, Purnama tampolana, tumuluj murkana ati, adat bědang bět mawa karĕp sorangan.
  1. Ari ka putri Narpatya, awewe pintĕr tur geulis, djĕmbar sartana kawasa, wani-wani kana nampik, něpi ka menta pati, ari ka anakna wiku, tjatjah taja-kaboga, make purun kana kawin, abong tatjan meunang pangwarah nu nista.
  1. Hanteu lami Sang Sri Nata, ngadawuh ka Arja Patih, Purnama kieu buktina, bebedja geus boga rabi, ka anakna kiai, turunan dusun mĕlĕdug, ngaranna si Kania, naha bangkawarah teuing, si Purnama teu nurut kadoa bapa.
  1. Tjoba ku Patih pikiran, tinangtu djadi balai, wirang ku Ratu Ambarak, ku tina balukar djalir, subaja teu ngadjadi, těrkadang manahna giruk, boga rasa dihina, malah boa-boa teuing, aja tungtung tunggara hudjan sěndjata.
  1. Arja Patih ngawangsulan, jaktos pisan dawuh Gusti, tangtos aja balukarna, ahirna njĕsahkeun galih, mĕnggah ka Dampal Gusti, mung abdi Gusti panuhun, pěrkawis Sang Pinutra, kĕdah enggal saur deui, ulah aja di pasantren Gurangsarak.
  1. Supados dina dongkapna, pamugi ku kĕrsa Gusti, putra kĕdah pisan paksa, sina enggal pasah deui, Maha Ratu ngalahir, nja atuh kitu ge rĕmpug, Purnama urang ala, poe isuk Ki Patih, djeung bodjona si Kania kudu bawa.
  1. Djeung sia Djamus ajeuna, ulah arek balik deui, ka pasantren
[ 29 ]Gurangsarak, sabab aing hanteu sudi, boga minantu miskin, sia anu boga laku, ngadukeun Ki Purnamam ngawuwudjuk sina kawin, ka awewe anu lain pĕrĕnahna.
  1. Djamus hanteu ngawangsulan, ngadegdeg ngĕluk ku isin, sarta bawaning ku reuwas, Djamus nendjo Kangdjĕng Gusti, teu karasa wer kiih, ari indit djĕmblong budjur, ngalahir deui Radja, ka Raden Aria Patih, sarta wĕra bawaning pusing ka putra.
  1. Kieu bae ajeuna mah, si Purnama ku Ki Patih, reudjeung eta si Kania, dibawana ti Pramanik, kudu rante ku Patih, sabab tutur hanteu nurut, niwaskeun ngawiwirang, lir lain anak Bopati, njieun tata tjurang ati kasetanan.
  1. Patih njĕmbah ngawangsulan, rebu-rebuning pamugi, pěrkawis eta dawuhan, sakalintang abdi Gusti, mĕnggah ka putra Gusti, teu sanggĕm dugi ka kitu, midamĕl parantean, bilih kasurak kawarti, kirang titi hukuman sanes pĕrĕnah.
  1. Nadjan Dampal Gusti hakna, nu kagungan sipat adil, sadaja-daja hukuman, mung Gusti lintang tingali, ku margi putra Gusti, kasĕbat ipukan Ratu, djadi balukar sangar, mĕnggah nu djadi Bopati, hanteu sae bĕkasan ti parantean.
  1. Barang ngadangu Sri Nata, kana piundjukna Patih, djumĕngok hanteu ngandika, tina lĕbĕt kana galih, raos bĕnĕr teh teuing, sapiundjuk Patih kitu, djeung hantĕm dimanahan, tina taja putra deui, anu baris ngaraton nagri Riskomar.
  1. Teu lami ladjĕng ngandika, ĕnja běněr kitu Patih ngan ajeuna tekad kakang, hanteu ngaborongkeun Patih, supajana lastari, malar teu tuluj tumuluj, bodjoan ka Kania, sabab kakang leuwih risi, sarta era ku Ratu nagri Ambarak.
  1. Poe isuk Patih iang, ka pasantren Paramanik, Arja Patih ngawangsulan, njumanggakeun ka Djĕng Gusti, sarta teu lami pamit, bade mulih ti kadatun, Djĕng Ratu ngawidian, těras Arja Patih mulih, ti karaton ngadjugdjug ka kapatihan.
  1. Sri Maha Ratu Riskomar, gunĕman saur di puri Sarĕngan Parameswara, Sri Maha Ratu ngalahir, tjoba ku Njai pikir, Purnama Alam bĕt kitu, ajeuna geus bodjoan, ka anak Wiku Pramanik, djeung tinimbang daek ka Putri Ambarak.
  1. Tah ieu suratna watja, ĕngkang mah bingung teh teuing, kuma’ pimanaheunana, Sang Ratu Ambarak nagri, sabab ĕngkang geus djangdji, maksud kana mulung mantu, loba ge nu ngalamar, ku Kaswati teu ditampi, da ngingětkeun subaja panjangtjang urang.
[ 30 ]
  1. Ahir bět kieu buktina, matak era matak risi, Meswari seug ngawangsulan, bari tjumalimba nangis, lah teu ku hanteu teiung, matak rempan matak bingung, hanteu tjara nu lian, boga anak-hanteu djadi, lara ruksak ngagěringkeun pipikiran.
  1. Naha kumaha nu matak, Ki Purnama purun ati, ngawin anak Wiku Kurbah, kapan adatna teh geuning, tampikan leuwih-leuwih, djeung taja bedjana latjur, tapi ajeuna naha, udjug-udjug boga rabi, ka awewe anak nu lain lajakna.
  1. Siga kumaha rupana, si Kania anak Rěsi, anu matak Ki Purnama, bogoheun djeung tuluj ngawin, Ratu ladjěng ngalahir, tjing tjoba si Djamus saur, tanjakeun sing pěrtela, nu matak dipikasudi, si Kania mungguh ku Purnama Alam.
  1. Hanteu lila Djamus dongkap, ngadeuheus ka pajun Gusti, tapi ngagidir awakna, tjara nu muriang badis, sieun ku Kangdjěng Gusti, ladjěng Sang Sri Maha njaur, tjoba Djamus ku sia, sěbutkeun masingna sidik, sakumaha pangaděg Dewi Kania.

Pangkur

  1. Sabab aing leuwih heran, ku dunungan sia anu keur njantri, naha mana djadi kitu, kabongbroj ku Kania, palangsiang Purnama Alam didujung, digěndam ku si Kania, reudjeung ku Wiku Pramanik.
  2. Djamus njěmbah ngawangsulan, hal pěrkawis pamariksa Djěng Gusti, abdi Gusti lintang ewuh, bade undjuk uninga, tina margi rupi eta Putri Wiku, kemutan abdi Gusti mah, wangkid ajeuna sajakti.
  3. Tina kasaeanana, ku emutan sěsah ngilari tanding, seuweu somah putri Ratu, anu sami geulisna, abdi Gusti wantun sumpah taruh umur, raos kana moal měndak, nu geulis lir Putri Rěsi.
  4. Kangdjěng Gusti Sri Nalendra, ngadangukeun langkung kaget panggalih, ku piundjukna Ki Djamus, něrangkeun Sang Kania, jen pinundjul geulisna meakkeun batur, Djěng Ratu patingal-tingal, sarěng Sang Parameswari.
  5. Tapi hanteu kalis manah, pusingna mah hanteu lipur saeutik, tina langkung hanteu rudjuk, ka Sang Dewi Kania, nadjan geulis da lain těrahing Ratu, sok tara sikěp di medan, kitu manah Sang Narpati.
  6. Pandjang lamun ditjarita, wawartina Radja djeung prameswari, gantjangna anu ditjatur, kotjap poe isukna, Arja Patih sarěng mantri
[ 31 ]djaga satru, sikěp nganggo bade djěngkar, ka pasantren Paramanik.
  1. Hanteu lami ladjěng djěngkar, tunggang kuda ngaleut anu ngariring, mantri-mantri djaga satru, pada tarunggang kuda, gundal-gundal murudul maranggul kimpul, sawareh kopěr buntělan geus ka luar ti nagari.
  1. Rahaden Aria Patya, sadjadjalan teu pětot ngeling-ngeling, pisaureun ka Sang Sunu, nu bakal kana měntal, ngawuwudjuk sakumaha nu dimaksud, pisah sarěng Sang Kania, Pinutra ngalih ka nagri.
  1. Tunda Raden Arja Patya, katjarturkeun nu lěnggah di Pramanik, Sang Radja Pinutra Sunu, sarěng Dewi Kania, sami lěnggah dina korsi bale pajun, keur nalek sagala kitab, paladjaran ti Sang Rěsi.
  1. Salirenna ngaos kitab, ladjěng njaur Sang Anom ka Sang Dewi, eh Dewi Kania ěnung, pamenta diri ěngkang, sakumaha nu aja di djěro buku, bagbagan elmu sakola, masing njari dina ati.
  1. Sabab lamun aja kadar, titis-tulis bisa djadi Narpati, tuturunan ti karuhun, Njai teh tangtu pisan, njěpěng puri majunan tatamu ratu, tah di dinja dipakena, běrbudi sasmita ati.
  1. Ngawangsul Dewi Kania, rebu nuhun gamparan aja lahir, bade njandak kana agung, ti geusan kamaasan, amung abdi malika ajeuna langkung, nandangan ati karempan, aringgis ku Kangdjěng Gusti.
  1. Palangsiang hanteu duʻa, gamparan teh kagungan garwa abdi, tina teu rudjukna běndu, moal aja ngangkěnna, kadangkala abdi teh disingkur-singkur, abdi mah langkung hariwang, risi pinanggih balahi.
  1. Upami tina běnduna, Kangdjěng Gusti měnggah ka diri abdi, tinangtos abdi kasiku, margi nguping tjatjandran, saha-saha anu kaběndon ku Ratu, pinasti awal ahirna, nandang bahja tjambal diri.
  1. Sakitu abdi karempan, Radjaputra ka rai pok ngalahir, aeh Njai montong kitu, nandang pikiran rempan, tinda sabab pikiran kangkang nu estu, moal beunang dihalangan mungguh kasuka ka Njai.
  1. Nadjan Kangdjěng Rama pisan, hanteu doa ěngkang migarwa Njai, Engkang kadjeun nadah běndu, melaan kasukaan, leuwih hade djadi djalma urang kampung, njorang bahja pěgat njawa, tinimbang pukah djeung Njai.
  1. Teu njaho lamun Ěnung mah, moal aja pikiran ngateh pati, da buktina geuning kitu, karek ku lalamunan, ěnggeus nandang ati rempan mundur madju, aja basa sieun bahja, kasiku ku rama Gusti.
  1. Imut ngawangsul Kania, jaktos pisan abdi inggis balahi, kasiku buntu nja laku, bokbilih hanteu kěbat, kumawula sumudjud saumur-umur, měnggah ka dampal gamparan, kitu tjeuk emutan abdi.
[ 32 ]
  1. Sang Radjaputra ngandika, lamun kitu Njai ka ěngkang nuding, djuru kawudjuk ku batur, tukang murahan talak, ngantjam-ngantjam kana papisah padjauh, padahal ěngkang teh mohal, tega luas nilar Njai.
  1. Nadjan rama saupama, ka ěngkang teh běndu langkung ti misti, dumeh asal běngal laku, něpi kana nundungna, tina hanteu do'a ka salira Ěnung, da ěngkang mah dibelaan, lunta ka sedjen nagari.
  1. Gantjangna ieu tjarita, katjaturkeun Rahaden Arja Patih, ka pasantren ěnggeus tjunduk, sarěng mantri sadaja, sarta nudju ka bumina Maha Wiku, Sang Rěsi langkung kagetna, ningal Arja Patih sumping.
  1. Muru sarta mamandapan, Raden Patih barang ningali Rěsi, tina kuda enggal lungsur, sarta ladjěng mundjungan, sami hurmat duanana pada děku, ari sabadana těras, luměbět ka djěro bumi.
  1. Djeung gantjang nu tatan-tatan, djěro bumi dilampud ku alkětip, keur baris tjalik tatamu, Arja Patih geus lěnggah, kitu deui para mantri djaga satru, ngaberes di djěro lěnggah, marando pajuneun Patih.
  1. Sang Wiku Muhamad Kurbah, ngadeuheusan mando tumungkul isin, wantu kakara saumur, kalinggihan Aria, atuh mani ngadegdeg sagala gugup, samar polah samar ragap, marga kalampud ku isin.
  1. Aria Gundara Patya, ningalian palataran Pramanik, langkung kaget djěro kalbu, ku rasmi palataran, sumawonna ningal tata bumi Wiku, tina sakitu beresna, Patih teh mudji binangkit.
  1. Sartana těras ngandika, ka Sang Rěsi sarta pasěmon manis, kaula teh něda ma'lum, datang hanteu ngiběran, tina sabab kadjurung ku hajang těpung, hanteu ngantjam ti tadina, indit ti nagri teh ras djig.
  1. Sarěng mana Sang Purnama, kaula teh ku hajang geura panggih, Sang Rěsi ladjěng ngawangsul, putra di patamuan, saur Patih atuh geuwat² saur, hanteu lami Wiku Kurbah, miwarang njaur ka santri.
  1. Těu lami Pangeran Putra, sarěng rai Sang Dewi ěnggeus sumping Dewi Kania ka dapur, ngabudjěng masang-masang, ngan Sang Putra luměbět ka bumi těrus, ka Raden Aria Patya, sampojong tindak nu isin.
  1. Tjalikna Pangeran Putra, hanteu těbih sarěng Aria Patih, ngan hanteu sirik dilahun, tina Aria Patya, langkung-langkung sono ka Pangeran Sunu, wuwuh langkung diogona, Purnama ku Arja Patih.
  1. Sarta teu lami mariksa, madjar Raden ěnggeus kagungan rai, ka putrana ieu Wiku, tjing tjoba anu mana, garwa Raden ama hajang geura maphum, da ama mah tatjan těrang, bisi kasamaran ati.
[ 33 ]

Asmarandana

  1. Dewi Kania teu lami, těras bae ngadeuheusan, barang ret Patih teh kaget, ningal ka Dewi Kania, tina langkung geulisna, dumugi kana ngarandjug, Rahaden Aria Patya.
  2. Njaur salěběting galih, mudji ka Dewi Kania, aeh-aeh kutan hade, teu njana kieu rupana, aing kakara měndak, geulis mulus tjara kitu, leuwih ti putri Ambarak.
  3. Lain titi bangsa kuring, lain tindak sipat somah, kewěs legeg ti kaputren, atuh mun kaja kieu mah, lěbar mun ka nu lian, hanteu surup mun ka batur, ninggang ka rupa Purnama.
  4. Mantri-mantri kitu deui, naringal ka Sang Kania, sami harookeun kaget, pada njěbat masa Allah, kutan leuwih endahna, pamudji sadaja kitu, ka rupi Dewi Kania.
  5. Teu lami Aria Patih, ngandika ka Sang Pinutra, eh Raden satěrangna teh, anu matak ama datang, maksud dua pěrkara, sahidji dawuhan Ratu, Raden teh kudu dilajad.
  6. Tina sabab Kangdjěng Gusti, ěnggeus nampi sěrat tea, ti Raden undjuk waspaos, jen Raden parantos nikah, ka Nji Dewi Kania, dawuhanana Djěng Ratu, kudu diteang ku ama.
  7. Sarta upama geus sidik, jen Raden parantos nikah, timbalan Kangdjěng Pagusten, kudu ngalih ka nagara, Raden sarěng geureuha, kěrsa teu kěrěsa kudu, ajeuna barěng djeung ama.
  8. Kadua pěrkara deui, tina ěnggeus kalilaan, ama hanteu pisan amprok, diitungna tudjuh bulan, leuwihna kasonoan, tah kitu mu matak tjunduk, katambah meunang timbalan.
  9. Purnama Alam teu lami, ngawangsul ka Arja Patya, měnggah abdi nu sajaktos, amung sumědja ngiringan, kana dawala ama, mung abdi gaduh piundjuk, měnggah ka kêrêsa ama.
  10. Kitu ge manawi idin, wirehing abdi ajeuna, rumaos pisan kamandjon, kana sugri paladjaran, upami enggal-enggal, ti dieu ka nagri wangsul, kanděg kana papahaman.
  11. Manawina ěngke deui, satahun deui lamina, nětěskeun nu tatjan ngartos, Aria Patih ngandika, ulah sok bědang manah, keun bae da ěnggeus tjukup, Raden sagala kajasa,
  12. Kitu deui saupami, hajang kěbat ngaos kitab, di nagri ge matak

Purnama Alam I — 3 [ 34 ]naon, da taja halanganana, tinimbang di dieu mah, sarěng rama ibu djauh, hese mun aja kasěsah.

  1. Ajeuna mah Raden misti, kěrěsa hanteu kěrěsa, barěng reudjeung ama bae, urang di poe isukan, ajeuna dangdan-dangdan, malar isuk pukul tudjuh, sadia bisa barangkat.
  1. Rdjaputra kaget galih, nampi saur Arja Patya, jen arek maksa ngabědol, Pangeran Purnama Alam, ngandika dina manah, diwuwuh pasěmon měsum, ih naha ama Aria.
  1. Kaja lain tata Patih, wani-wani gawe maksa, nitah ngeureunan masantren, mawa balik ka nagara, teu meunang pěrmuhunan, kawas aja pasal pěrlu, anu geusan pantjabaja.
  1. Kapan saur rama Gusti, ka diri aing sorangan, memeh indit ka pasantren, kudu něpi katjatjapna, ngadji elmuning kitab, sarta hanteu meunang wangsul, mun tatjan djěmbar kabisa.
  1. Ahir ajeuna bět djalir, gurat tjai tjeuk babasan, lir lain tědak Narpatos, tatapi kaharti pisan, anu djadi sababna, pangna rama Gusti kitu, duměh aing ngintun sěrat.
  1. Piundjuk geus boga rabi, ka nu lain kadoʻana, pangngalana tangtu bae, ka diri aing rek njiksa, atawana njeukseukan, těrkadang ngawudjuk-wudjuk, malar pisah djeung Kania.
  1. Tapi mungguh diri aing, tinimbang kana papisah, reudjeung Njai Kania teh, leuwih hade aing pědjah, ngědjat ka nagri lian, kadjeun burung djadi Ratu, hanteu owěl ku Riskomar.
  1. Ngarah nagari mah gampil, ngalap djadi radja gampang, hese mun njiar nu denok, kitu manah Radjaputra, djeung těras ngawangsulan, na kumaha margi kitu, asa dikědahkeun pisan.
  1. Abdi wangsul ka nagari, sěmi aja bálukarna, Aria Patih ngawalon, ih Raden ari eta mah, sababna taja lian, ngan ku dumeh Kangdjěng Ratu, bawaning ka Raden mělang.
  1. Bubuhan tina patěbih, loba geusan timburuna, anu ngabingbangkeun raos, anu matak ajeuna mah, kudu barěng djeung ama, kitu deui Raden lamun, ěnggeus sumping ka nagara.
  1. Enggeus těpang sarěng Gusti, mintonkeun kawiludjěngan, hade mulih deui oge, ka dieu ku sabab aja, wagělan ku aosan, ngadjurungkeun deui tangtu, Ratu moal ngahalangan.
  1. Sang Putra ngawangsul deui, sumangga abdi ngiringan, mung abdi ti pěngkěr bae, moal tiasa ajeuna, ngiring kěrěsa ama, pěrmios bae saminggu, bade urus-urus heula.
  1. Patih pusing djeung ngalahir, ulah njieun adat bědang, běděgong
[ 35 ]milampah nogtrog, ulah kena putra Radja, njieun pěrtata djanggal, kopan ama teh kasěbut, Patih kawasa nagara.
  1. Tangan-tanganna narpati, wadjib digugu di hurmat, nadjan ku putra narpatos, wadjib něrapkeun hukuman, ka djalma kurang tata, kurang sikěp kurang patut, teu nurut kana parentah.
  1. Djeung deui nadjan rek mungkir, mungpang baha teu pěrěnah, mo burung dipaksa bae, digendjang ku sarerea, dibawa ka nagara, mun ngalawan ditambalung, ku sabab dawuhan Radja.
  1. Radjaputra barang nguping, panjeukseukan Arja Patya, langkung-langkung ngalokotoj, tina bawaning ku reuwas, bubuhan anu sabar, tumungkul hanteu ngawangsul, tina rumaos ku sěpah,
  1. Teu lami Sang Maha Rěsi, ngalahir ka Radjaputra, raos ama mah nu jaktos, sewu-sewuning pamuga, kědah bae kěrěsa, ulah rek mungpang ngaběrung, kana kahojongna rama.
  1. Nadjan aja kanděg galih, aosan nu tatjan paham, matak naon di nagri ge, didugdag tangtos ku paman, sumangga ayeuna mah, ulah njarusutkeun sěpuh, balukar sangar salira.
  1. Tjoba manah masing lantip, moal djadi kasaean, sanadjan agěng pangartos, sarusut sarěng sěpah mah, watěkna kěndor ilham, ngariut sagala wahju, ngurangan kana daradjat.
  1. Malah keuna hukum wadjib, rama teh dipudja-pudja, meungpeung keur djuměněng keneh, dialap hibar duʻana, malar kasalamětan, ulah dipundjung geus pupus, balukar tara masihan.
  1. Ulah tibalik pangeusi, suměmbah ka nu teu aja, migusten ka nu teu djentre, ari sěpah dimomonjah, Agan ulah sulaja, tumungkul kana tutunggul, mudja kana patilasan.

Kinanti

  1. Ku Agan mugi kasurup, kana salěběting galih, sugri pituah pun paman, ajeuna ulah sumingki, tumutkeun kěrěsa rama, djuragan Aria Patih.
  2. Sang Radja pinutra Sunu, ngadangu saur Sang Rěsi, tumungkul mědal tjisotja, tina didjurungkeun mulih, raos sunděk bumi-alam, ku nunda ngalap pangarti.
  3. Teu lami ngawangsul laun, Pangeran Putra ka Rěsi, sumangga putra ngiringan, lamun kědah-kědah teuing, wangsul ka kota Riskomar,
[ 36 ]těmpat pasangaran ati.
  1. Mung putra aja panuhun, měnggah pun bodjo Nji Dewi, ku putra moal ditilar, bade dibantun ka nagri, bilih putra tambah bahja, gěring pikir njorang pati.
  1. Ngawalon Sang Maha Wiku, ih Agan pěrkawis rai, teu aja pamběnganana, rek ditjandak ka nagari, ati ama sadrah pisan, hanteu ngait kumareumbing.
  1. Ama darma anak estu, měnggahing ka tuang rai, anu kagungan mah Agan, sumawontên ka nagari, nadjan dibunuh dibuang, Agan nu kagungan milik.
  1. Ama mah ngan wungkul suhud, ngadudu'a siang wěngi, disuhunkeun wiludjěngna, patěbih reudjeung balai, anggang tina pantjabaja, salamět lahir djeung batin.
  1. Pangeran Pinutra Sunu, teu kawawa nahan galih, tina kangangrěsanana, ngadangu saur Sang Rěsi, njěmbah ti pajuneun Arja, djuměngkar lungsur ti bumi.
  1. Dewi Kania teu kantun, ka karang patamon mulih, sami nandang lara manah, teu pětot mědal tjitangis, Pinutra Dewi Kania, ka karang patamon sumping.
  1. Ari sup pintu ditutup, pageuh ku sabab disosi, njoreang ka pagulingan, lalinggih dina alkětip, mirěmpag pěrkara eta, nu djadi geusan prihatin.
  1. Pangeran Pinutra njaur, ka kang rai Njai Dewi, kumaha Njai rek bela, tina ěngkang geus pinasti, nadahan geusaning lara, mandjing ka marga prihatin.
  1. Dewi Kania ngawangsul, bari tjumalimba nangis, njuuh ka pangkon Sang Putra, duh gamparan mugi-mugi, ulah djadi rěntag manah, miris ku nu tatjan bukti.
  1. Panuhun abdi nu estu, tumutkeun pamugi-mugi, sakěrsa djuragan Arja, jen kědah gamparan mulih, ka dajeuh nagri Riskomar, abdi ge sumědja ngiring.
  1. Sarěng ku abdi kaemut, gamparan teh anu mawi, disaur ku Kangdjěng Radja, dibědol ti Paramanik, kantěnan dumeh gamparan, kagungan garwa ka abdi.
  1. Margi kadoana Ratu, wartos ti sisi ti gigir, ka putri Ratu Ambarak, djěněngan Dewi Kaswati, gamparan anu teu kěrsa, ahir-ahir nikah abdi.
  1. Pantěs rek běndu Djěng Ratu, dipikir dibulak-balik, da gamparan anu lěpat, ti kapungkur oge geuning, abdi teh sěring undjukan, inggis kasiku ku Gusti.
[ 37 ]
  1. Ajeuna parantos timbul, tatjan gěntos sasih deui, geus nandang marga tugěnah, mung měnggah emutan abdi, kapamběng nandangan bahja, teu gimir ku nindih pati.
  1. Nadjan lampus pěgat umur, moal panasaran pikir, supados asal bumela, ka lěnggah gamparan jakti, ajeuna sumangga enggal, ka nagri tong risi-risi.
  1. Gamparan nu nandang pupus, abdi anu ngiring mati, gamparan nu nandang lara, abdi anu njangking njěri, sumawon gamparan bingah, kantěnan abdi nu seuri.
  1. Pangeran Pinutra njaur, atuh sukur teuing Njai, boga tekad pasanggupan, ka ěngkang rek bela pati, dina waktu sakieuna, nudju tunggara nja ati.

Pangkur

  1. Pangeran Purnama Alam, hanteu lami saprantos guněm warti, sarěng rai hanteu kantun, sarta waktu harita, sami kulěm wantu nudju tabuh satu, gantjangna nu ditjarita, kotjapkeun isukna deui.
  2. Harita ěnggeus ubiag, Raden Patih djeung sakabeh pramantri, di bumi Sang Maha Wiku, geus pada dangdan-dangdan, kitu deui Pangeran Pinutra Sunu, geus nganggo di patamuan, sarěng raji Njai Dewi.
  3. Saparantos těras djěngkar, ti patamon ka bumina Sang Rěsi, Kania djeung putra Sunu, barang sumping ka dinja, ret katingal ku Patih djeung Maha Wiku, sarta ku santri sadaja, jen Pangeran Putra sumping.
  4. Sadajana rěsěp ningal, ka Pinutra sarta ka Njai Dewi, tina langkung nurub tjupu, pada sami endahna, eukeur alus kawuwuh pamurub mantjur, paměgět kaja dewata, istrina lir widadari.
  5. Sumawonna Arja Patya, langkung-langkung nandang kajungjun galih, sarta njaur dina kalbu, asa mohal katjida, Kangdjěng Ratu teu asiheun ningal mantu, sakitu leuwih geulisna, hese lamun njiar tanding.
  6. Ngan muga-muga djěng Radja, masing leuwih asih ka Njai Dewi, sarta kaběnduna lipur, da nangguh moal aja, rupa putri bangsa těrah para ratu, anu pantěs ka Purnama, djaba ti ieu Nji Dewi.
  7. Kitu manahna Aria, mangnědakeun ka putri Paramanik, katjaturkeun Maha Wiku, njampeurkeun ka Pinutra, ngaharewos bisi nu sedjen ngadangu, duh Agan ama ngemutan, sarěng ka ieu Nji Dewi.
[ 38 ]8. Tatapina moal pandjang, kědah tjatět ulah rek gěruh galih, ajeuna ama teh nuhun, Agan sarěng Kania, ka nagari disaur ku Kangdjěng Ratu, suganna djadi lantaran, numpěs hama djuru djulig.

9. Sarěng kadua pěrkara, Agan ulah teu kěrsa ka Kaswati, ditikahkeun ku djěng Ratu, tatapi sing waspada, tina margi aja balukarna tangtu, Kaswati sarěng ramana, tapi Agan ulah gimir.

10. Katiluna ieu ama, hadjat djimat pěrlu kudu ditjangking, anggo ulah kantun-kantun, Nurasdjati ngaranna, pangaruhnja moal aja anu wantun, sumawonna sipat djalma, nadjan djin setan mo' wani.

11. Sabab djimat kawarasan, sumawonna tumbak pědang djeung badi, nadjan ditindih ku gunung, dina saibaratna, moal pisan njorang pědjah lampus umur, masih ngagěm ieu djimat, beulitan Nurasadjati.

12. Ari ieu Nji Kania, ieu bae tikěl-balung ditjangking, djimat ěmas ulah kantun, dina salalawasna, pangaruhna teu beda pisan nja kitu, kawantu djimat pusaka, sasaka ti nini aki.

13. Ajeuna mah nja geura bral, didu'akeun mo' ělat beurang peuting, mugi sing mulus rahaju, teu lami Radjaputra, djeung Kania sudjud ka pangkon Sang Wiku, sarta nangis tjumalimba, Pinutra djeung Njai Dewi.

14. Gantjangna Pangeran Putra, sarěng raji sami lungsur ti bumi, muru kaderah nu murub, duaan sami tunggang, Njai Dewi Kania sarěng Sang Sunu, ngarendeng dina kaderah, pada mustikaning rupi.

15. Tjek basa lir golek anjar, kasorotan mun keusik tingkarětip, mun batu djiga ngagěbur, tjadas-tjadas harerang, kasorotan ku putri pinutra Sunu, gantjangna tuměras djěngkar, ti pasantren Paramanik.


Asmarandana

1. Pandjang lamunna ditulis, pěrtata sadjalan-djalan, gantjangna nu ditjarios, Pangeran Purnama Alam, sigeug di těngah djalan, ajeuna anu ditjatur, Sri Maha Radja Riskomar.

2. Waktu harita di puri, sarěngan parameswara, taja anu ditjarios, kadjaba ti Sang Pinutra, nu djadi kasumpěgan, sarta hanteu lami njaur, ka raji parameswara.

3. Dina poe ieu pasti, datangna Purnama Alam, kitu ge lamun teu mogok, puruneun kana diala, datang soteh ajeuna, tapi Njai ulah burung, njadiakeun di kaputran.

4. Reudjeung maksud kakang pasti, upama ěnggeus daratang, }} [ 39 ]djeung Kania teh, urang sina ngeunah heula, bodjona Ki Purnama, ulah waka gurunggusuh, dibuburak sina pirak.

  1. Idahan heula sasasih, aku sarta bere ngeunah, alur ka minantu bae, pek ajeuna geuwat-geuwat, sadia di kaputran, bisi kaburu tjarunduk, Purnama djeung Si Kania.
  1. Kadua pěrkara deui, mangkena dina datangna, ulah sina ka karaton, tjua da lain sasama, tina kawantu somah, tara bisa tindak-tanduk, di medan sok salah tintjak.
  1. Sabab ku ngkang kapikir, upama Purnama datang, geus tangtu pada laladjo, menak rama dararatang, tina harajang těrang, ari gok teh putri dusun, ěngkang nu kantun erana.
  1. Sigeugkeun anu di puri, kotjap saeusi nagara, lalaki reudjeung awewe, ubiag pabedja-bedja, jen Pangeran Purnama, di poe ieu geus tangtu, sumpingna ti Gurangsarak.
  1. Nini-nini suka ati, randa-randa pada bungah, tjawene gumbira hate, rimbitan rarampajakan, tina bawaning bungah, sarta pěg turun kaul, rek bakti ka Radjaputra.
  1. Nini-nini ngagulali, randa-randa ngadjawadah, tjawene ngabaragěnjel, atjeuk-atjeuk ngarakitjak, mun ěmbok ngararopak, indung-indung ngedjo gadung, rimbitan ngaredjo kětan.
  1. Geus ubiag di nagari, ear pada tjatjarita, retjok ngararomong tjektjok, nu kasep ěnggeus garwaan, ka putri Gurangsarak, aringgis teu nurub-tjupu, salěmpang endah saurang.
  1. Harita geus balawiri, djalma-djalma nu marěgat, sumawon lamun awewe, maridang pagandang-gandang, ěnggeus djědjěl di djalan, lulurung pinuh ku tangtung, rorak heurin ku barudak.
  1. Pandjang lamunna ditulis, kotjap Pangeran Pinutra, nu pada ngadago-dago, ku djalma nu mararěgat, sarěng Raden Aria, para mantri djaga satru, geus sumping ka katja-katja.
  1. Ngagulung nu naringali, heurin-usik sadjadjalan, paděmpet pasered-sered, kaderah teu bisa djalan, sabab dědět ku djalma, lamun teu ku djaga satru, bubak-babuk menta djalan.
  1. Djalma geus leungit kaisin, ear njarěbut haturan, ka Radja pinutra Anom, ari ka Dawi Kania, sakabeh anu ningal, taja papadana lutju, kana kasaeanana.
  1. Njebut ilih-ilih geulis, alah-alah kutan endah, eleh-eleh kutan hade, boa-boa lain djalma, montjorong tjara bulan, bět ngagěbur kaja lajung, ngagěbjar tjara běrlian.
  1. Palangsiang widadari, beunang njandak ti sawarga, kitu pamudji
[ 40 ]sakabeh, ka eta Dewi Kania, tjatur nu di paměngkang, Prameswari sarěng Ratu, langkung-langkung kaget manah.
  1. Djalanan dua pěrkawis, sahidji ningal tjahaja, awang-awang djadi objor, beda djeung tjahaja siang, ngagěbur djeung guměbjar, lain hurung rupa ajung, gumilang lain běrlian.
  1. Kadua kagetna Gusti, ningal anu paburia, lalumpat paboro-boro, kawas aja nu diudag, Ratu ladjěng nimbalan, ka mantri djuru tutugur, tjoba ku maneh pariksa.
  1. Itu djalma balawiri, bět kawa aja pěrkara, nu bakal ngagetkeun hate, wuri-wuri aja tjahja, guměbjar matak heran, njěmbah mios mantri tugur bari lumpat ti paměngkang.
  1. Hanteu lila dongkap deui, ngadeuheus ka Sang Sri Nata, ngundjukkeun pinutra Anom, sarěngan Aria Patya, sumping ti Gurangsarak, barang Ratu geus ngadangu, jen sumping Pangeran Putra.
  1. Ngodjengkang lěbět ka puri, da tjua teu palaj těpang, sarěng Dewi Kania teh, ngan Meswari anu djěngkar, ngabudjeng ka kaputran, ngambrul nu ngiring ti pungkur, garwa prijaji sadaja.
  1. Pinutra katjatut deui, sumping ka gědong kaputran, sarěng nu ngiring sakabeh, mantri-mantri sadajana, sarěng Aria Patya, nu mapag paburu-buru, para menak di nagara.
  1. Sang Putra sarěng Sang Dewi, lalungsur tina kaderah, luměbět ka bumi bae, sarta njondong tětěbahan, ěnggeus sami lalěnggah, Kania djeung putra Sunu, tjakět lawang pagulingan.
  1. Teu lami Prameswari, sarěng praistri sadaja, Nji Aria Nji Kaliwon, lěbět ka gědong kaputran, bade sepon putra, barang Kania Sang Sunu, ningal sumping Prameswara.
  1. Ngalih tjalikna ka hilir, kana sisi panto latar, bawaning ku isin bae, barang Prameswari ningal, ka Nji Dewi Kania, ngarandjug geus těrap lutju, lir ka putra Sang Purnama.
  1. Sadjongdjongan teu lalinggih, ngaděg hanteu mědal lisan, ngan wungkul olohok, měntjrong, ka Njai Dewi Kania, tina kaget ku rupa, ku geulis pundjul ti batur, sarta njaur lěbět manah.
  1. Ja Allah teu njana teuing, kutan teh kieu rupana, geulis matak moho nendjo, minantu aing Kania, paingan Ki Purnama, udjug-udjug kana purun, rek nikah hanteu bebedja.
  1. Sanadjan pikiran aing, ka ieu Dewi Kania, leuwih-leuwih tjotjog hate, ku sabab waktu ajeuna, lamun ngiděr sadjagat, sasamana moal nimu, nu geulis kaja kieu mah.
[ 41 ]

Kinanti

  1. Lain patut anak wiku, lain titi anak santri, estu rupa anak menak, teu lami Prameswari, ladjěng lěnggah dina dipan, bari teu pětot ningali.
  2. Garwa prijaji nja kitu, ngaberes sami tjaralik, di djěro gědong kaputran, sami rarěsěp ningali, ka rupi Dewi Kania, ku tina kalangkung geulis.
  3. Uluh lutju uluh lutju, ilih manis ilih manis, alah endah alah endah, geulis lain ulin², gandang lain ku dangdanan, geulis djasmani pribadi.
  4. Teu lami Meswari njaur, ka Sang Pinutraraspati, eh udjang Purnama Alam, ulah nandang kaget ati, rěntag ku sabab diala, ti pasantren Paramanik.
  5. Ku ama reudjeung ku ibu, sabab ibu leuwih-leuwih, nja nandangan kamělangan, turug-turug boga rabi, hina ai di padesan, ajeuna mah udjang misti.
  6. Purun teu purun ge kudu, ulah arek balik deui, ka pasantren Gurangsarak, reudjeung Nji Kania deui, ngeusian karang kaputran, ngadjatnika sěnang ati.
  7. Pinutra njěmbah ngawangsul, měnggah abdi maksad ngiring, kana pangěrsa gamparan, amung sakalangkung abdi, sěsah ku aja pamběngan, adjian teu atjan hasil.
  8. Ku margi eta panuhun, manawi gamparan idin, satahun deui lamina, ngalap kitab di Pramanik, ngandika Pramaswara, rasa ibu anu jakin.
  9. Hanteu kudu djauh-djauh, rek ngalap pangelisi ati, bagbagan elmuning kitab, di dieu ge hanteu djadi, halangan nulujkeun lampah, ngadji elmuning kiai.
  10. Kaduana sabab ibu, leuwih-leuwih keueung ati, ibu padjauh djeung udjang, běněr ibu sugih mukti, kawasa pangkat Meswara, disěmbah digusti-gusti.
  11. Dirubung ku dulur-dulur, didjaring ku kulawargi, didjaraga ku ponggawa, tatapina hanteu kalis, pikir ngungun sumoreang, sabot udjang di Pramanik.
  12. Ibu nandang gěring nantung, ti peuting ngan wungkul njaring, bajeungjang mělang ka udjang, timburu pinanggih gěring, ti beurang wungkul njoreang, sieun pinanggih kanjěri.
  13. Ajeuna udjang geus tjunduk, atuh ibu tjageur pikir, lesot tina
[ 42 ]baja lara, njingkir ti geusan prihatin, pukah pasangaran rasa, udjang datang tur walagri.
  1. Turug-turug udjang gaduh, rabi baris narik ati, kana geusan kalulusan, ibu doa lahir batin, tulujkeun pandjang rangkěpan, ulah gumilir gumingsir.
  1. Radja Pinutra ngawangsul, ka ibu Sang Prameswari, sadaja-daja ngiringan, ka kěrsa gamparan jakti, ngandika Parameswara, sukur udjang hanteu mungkir.
  1. Pěrtanda njaah ka ibu, bidjil kasadrahan ati djeung ieu Njai Kania, kumaha purun nja ati, nuturkeun Purnama Alam, parindah ti Paramanik.
  1. Dewi Kania ngawangsul, měnggah abdi Dalěm jakti, mung maksad sadaja-daja, kumambang kana panglahir, klajan kana pangěrsana, putra Dalěm nu sajakti.
  1. Imut Prameswari njaur, nja běněr Kania eulis, kěkěl kana kumawula, nuturkeun ombak salaki, sakitu anu dipenta, lulus runtut repeh rapih.
  1. Pandjang lamunna ditjatur, harita Parameswari, sabadana sasauran, ladjěng ti kaputran mulih, ngantunan uang djeung barang, ka mantu putri Pramanik.
  1. Pangeran pinutra Sunu, sarěngan raji Sang Dewi, lěnggah di karang kaputran, sarta anu ngadjaragi, djuru sisih djuru seka, ěmban-ěmban urang puri.
  1. Purnama Alam seug njaur, kumaha Njai kakuping, ibu tadi sasauran, tina urang teh dimisti, hanteu meunang deui mulang, ka pasantren Paramanik.
  1. Dewi Kania ngawangsul, duh gamparan raos abdi, panuhun ulah dipungpang, bilih ngadjadi sak galih, ibu rama ka gamparan tumutkeun bae pamugi.
  1. Pangeran Pinutra njaur, ěngkang mah kumaha Njai, ngan dina poe isukan, urang nitah ka Pramanik, njanggekeun sěrat ka ama, jen urang teh tuluj mukim.
  1. Barudak kědah didjurung, baralik ti Paramanik ingah barang sina ditilar, urang sanggakeun sakali, ka ěmbi sarěng ka ama, Kania ngawangsul deui.
  1. Dupi eta mah teu langkung, mung měnggah undjuk tingali, ka pun bapa kědąh pisan, jen gamparan nampi lahir, ti pangěrsa Kangdjěng Radja, hanteu kenging mulih deui.
  1. Saparantos guněm tjatur, Radjaputra sarěng raji, těras ngadjat-
[ 43 ]nika lěnggah, katjatur Parameswari, sasumping tina ngalajad, putra-putra nu maranis.

Dangdanggula

  1. Waktu eta, geus sumping ka puri, njondong raka Sri Maha Narpatya, nudju lěnggah di karaton, ka raji ladjěng njaur, tjoba raji masingna sidik, Engkang geura bedjaan, nu kakara tjunduk, Purnama djeung Si Kania, hanteu lami ngawangsul Parameswari, ka raka Sang Sri Nata.
  2. Wangkid ieu Purnama ku abdi, ditětěpkeun sareng pun Kania, di karang-kaputran bae, teu kenging deui wangsul, Ki Purnama ka Paramanik, sarěngan pun Kahia, Ratu ladjěng njaur, reudjeung kumaha rupana, Si Kania kumaha djeung Nji Kaswati, dina tindak rupana.
  3. Ngawangsulan Sang Parameswari, hapěrkawis rupina Kania, alam ajeuna mah hese, nadjan putri praratu, kawas moal aja nu nanding, kana rupi Kania, raos abdi estu, tina kasaeanana, malah-malah abdi ge němbean manggih, nu sakitu geulisna.
  4. Sinarěngan upami Kaswati, direndengkeun sarěng pun Kania, rupi Kaswati ngagandek, Sang Ratu deui njaur, ka Meswari kumaha Njai, dina tindak-tandukna, Meswari ngawangsul, lah ěngkang sampurna pisan, ditingalna lir titi anak narpati, tatana sarěng basa.
  5. Hanteu aja tjotjode saeutik, sarěng malah upama Purnama, gaduh bodjo ka nu sanes, pikiran abdi nangguh, moal měndak nadjan ngilari, putri-putri narpatya, nu mandean kitu, saupami manah ěngkang teu pěrtjantěn sumangga lajad tingali, rupina pun Kania.
  6. Barang Ratu ngadangu Meswari, teu ngandika dina sadjongdjongan, kaget ku ngadangu wartos, teu lami těras njaur, tjoba ěngkang arek ningali, ajeuna ka kaputran, bisi tjatur palsu, hanteu lami Sang Sri Nata, ladjěng djěngkar nu ngiring ponggawa mantri, ka karang kaputraan.
  7. Hanteu lami Sri Maha Narpati, ěnggeus sumping ka gědong kaputran, sarta těras lěbět bae, Pangeran Putra sunu, keur njalira di djěro bumi, sabab Dewi Kania, keur nudju di dapur, njaksian rentjang popolah, Sang Pinutra Purnama barang ningali, kasumpingan ku rama.
  8. Langkung-langkung nandangan kaadjrih, Sang Sri Nata ladjěng bae lěnggah, dina korsi djěro gědong, sarta teu lami njaur, bari imut sarta ningali, ka putra Sang Purnama, eh bagea agus, kumaha ditu teh
[ 44 ]bětah, djeung kumaha ngadji teh ěnggeus mangarti, tjoba ama bedjaan.

9. Sang Pinutra Purnama teu lami, těras njěmbah ngawangsul ka rama, kulanun dawuh Pagusten, abdi Gusti nu estu, aja hibar dampaling Gusti, hapěrkawis adjian, amung hanteu wudu, kadar diadjar sakědap, saur Ratu ih bari sok montong teuing, bablas sakabeh kitab.

10. Ngan supaja darapon mangarti, sabab lain gadangan ulama, bisluit njangking pasantren, sakitu ge geus tjukup, hanteu kudu diadjar deui, reudjeung ajeuna ama, anu matak rusuh, udjang diala ku ama, saěnjana ama mělang leuwih-leuwih, udjang di Gurangsarak.

11. Tina sabab dihantěm dipikir, bět tjatjakan padeukeut djeung ama, awewe gudjrud paroho, ampir gujur tagiwur, djauh komo di Paramanik, těrkadang matak tiwas, tah ana sakitu, reudjeung kadua pěrkara, udjang ngirim surat hal undjuk tingali, ka ibu djeung ka ama.

12. Měrtelakeun jen geus boga rabi, ka Kania seuweu wiku Kurbah, ama leuwih heran hate, ari nu matak bingung, sabab udjang bareto geuning, gurnita nja tampikan, ka praputri ratu, anu gareulis rupana, sumawonna ka anak santana kuring, bangun nendjo ge tjua.

13. Ahir-ahir ari di Pramanik, udjug-udjug, nikah ka Kania, leungit tampikan bareto, ku sabab eta kitu, tjoba ama hajang papanggih, reudjeung Kania tea, tjoba-tjoba saur, hanteu lami Sang Pinutra, ladjěng njěmbah mios ti pajuneun Gusti, njaur Dewi Kania.

14. Hanteu lami Sang Putra djeung raji, geus ngadeuheus ka pajun Sri Nata, Kania tumungkul mando, gedengeun Putra Sunu, langkung-langkung nandangari adjrih, kotjap Maha Narpatya, anu hajang maphum, ka mantu Dewi Kania, barang ret ge ningali ka Njai Dewi, sotja kumědep tasma.

15. Ratu dugi teu jasa ngalahir, mung hookeun ningali Kania, olohok teu kěndat měntjrong, njaur lěběting kalbu, bět tetela geulisna leuwih, hanteu geseh ti bedja, beunang ge disěbut, ieu mah mustika rupa, nja paingan Ki Puranama Alam sudi, ari kaja kieu mah.

16. Tina budi něpi kana titi, tina rupa něpi kana tindak, lir pědaran ti kaputren, geus asup kana tjatur, nurub tjupu ka anak aing, ngan aing leuwih susah, pikir mundur madju, ari rek těrus Kania, sina tětěp lulus, pandjang laki rabi, ka Siudjang Purnama.

17. Aing tangtu nadangan kaisin, ku Sang Ratu nagara Ambarak, těrkadang manahna goreng, ngarurug ngadjak tarung, taruh pati ngabojong nagri, djalan ku ieu pasal, aing leuwih paur, turug-turug Sang Amabarak, gagah sakti djuru unggul dina djurit, taja radja nu kuat.

18. Ari arek dibědol ku aing, sina pisah Ki Purnama Alam, djeung [ 45 ]ieu Nji Kania teh, Ki Purnama tinangtu, kaedanan moal sak deui, ku ieu Nji Kania, djadi moal runtut, reudjeung Nji putri Ambarak, kaduana sanadjan pikiran aing, njaah ku Nji Kania.

19. Tina rupa sakieu nja geulis, estu pantěs ka Purnama Alam, aing hanteu bisa mojok, estuning nurub tjupu, tapi mugi ka Maha Sutji, rai Ratu Ambarak, manahna sing luntur, agěng-agěng nja timbangan, kedi kana ngabědokeun Nji Kaswati, ka Ki Purnama Alam.

20. Ngan supaja ulah djalan aing, miheulaan ngabědokeunnana, Purnama ka Kaswati teh, manahna Ratu kitu, sarta hanteu lami ngalahir, ka putra Sang Purnama, dibarung gumuju, nja ari rasa ama mah, patut oge ku udjang dipake rabi, ieu Njai Kania.

21. Sarta ama doa lahir batin, ngan ama teh mere pěrdjangdjian, sing kaharti ku maraneh, sabab ama nu estu, arek menta tilu pěrkawis, ka Purnama Kania, noměr hidji kudu, ulah ngusutkeun nagara, kaduana ulah njusahkeun praabdi, reudjeung para kapala.

22. Katiluna poma-poma teuing, masing bisa ngadjaganing baja, ama ibu djeung maraneh, ama djangdji sakitu, sarta titip masing kadjaring, lamun něpi ka bisa, lulus nu sakitu, Ki Purnama djeung Kania, tangtu mulus lambat-lambut laki-rabi, něpi ka djadi radja.

23. Tapi lamun teu bisa ngadjaring, kana pasal nu tilu pěrkara, sumawon djadi narpatos, laki-rabi ge tangtu, moal lambat těrkadang manggih, kanjěri djeung balangsak, di mana nu timbul, tjilaka salasaurang, di awewe atawana di lalaki, dina ahiring mangsa.

24. Radjaputra ngupingkeun panglahir, wantu-wantu anu seukeut manah, udjug-udjug djol kahartos, balukar eta saur, hanteu lami njěmbah ka Gusti, barina ngawangsulan, pěrkawis pangdawuh, abdi Gusti nampi pisan, klajan sanggěm ngadjaring ing siang-wèngi, kana pěrkawis eta.

25. Amung mugi měnggah dampal Gusti, lědjar galih masihan pangduʻa, ka abdi Gusti supados, wiludjěng anu estu, mugi-mugi kana dumugi, abdi Gusti tiasa, ngaběndung kaewuh, ngadjagi bok pantjabaja, sakumaha anu didawuhkeun tadi, nu tilu pasal tea.

26. Maha Ratu gumuju ngalahir, ka Pinutra udjang sukur pisan, aja pasanggupan hate, kana ngaběndung bingung, sakumaha anu diwarti, tadi ku ama tea, anu pasal tilu, sarta sukur djol karasa, satěgěsna kadjudi djěroning ati, pibalukareunana.

27. Sarta titip djaring beurang-peuting, ku Purnama djeung ku Nji Kania, kade ulah tjarampoleh, pek ajeuna sing djunun, něda-něda ka Maha Sutji, teu njorang eta pasal, sing lulus rahaju, udjang djeung Njai Kania, ngadjatnika tjitjing tětěp sěnang ati, di bandjaran kaputran. [ 46 ]28. Hanteu lami Sri Maha Narpati, saparantos njaur těras djěngkar, ti kaputran ka karaton, nu ngiring Maha Ratu, mantri-mantri kapala nagri, gulang-gulang, patjara, sarta djuru-pajung, gurilap kuning lajungan, sakumaha rupi padjêng kanarpati, matak serab nu ningal.

29. Barang sumping Sang Ratu ka puri, geus patĕpang sarĕng Prameswara, di djêro gĕdong karaton, Prameswari piundjuk ka Djĕng Ratu kumaha sidik, rupina pun Kania, naon nu teu surup, atanapi kutjiwana, Säng Narpati imut sartana ngalahir, ka rai Prameswara.

30. Lah rupa mah bĕnĕr leuwih geulis, waktu ieu mustikana rupa, pantês bodjo Purnama teh, ngalantung di kadatun, njěpěng puri djadi meswari, samalah rasa kakang, balikanana lamun, tulus Ki Purnama Alam, ka Kaswati, asup ka basa kiwari, leuwih-leuwih nja ningnang.

31. Tapi ĕngkang pikir taja deui, ngan pamuga Sang Ratu Ambarak, pulur manah ngadjak bědo, supajana tumuluj, lambat-lambut nja lakir-abi, Purnama ka Kania Meswari ngawangsul, ka raka Sri Maharadja, abdi oge taja sanes nu dipikir, amung sakitu pisan.

32. Jaktos pisan Nji Kania,kuring, somah miskin tur urang padesan, kadjeun dapon- hade legeg, sartana alus patut, nadjan eta ku hanteu kenging, pajung kameswaraan, Kania ka pajun, dumeh ku sanes turunan, nja keun bae margi salakina ngarti, baris madjukeunana,

33. Gantjangna teh iĕu nu digurit, saparantos Sri Maha wawarta, tĕtĕp lungguh di karaton, Sang Pinutra katjatur, di kaputran sarĕngan raji, Njai Dewi Kania, taja nu disaur, mung timbalan Ratu tea, hanteu lami Pinutra těras ngalahir, tjoba Njai kumaha.

34. Geus kaharti saur rama Gusti, anu tadi nu tilu parkara, imut Kania ngawalon, raos abdi piraku, hanteu ngartos ka saur Gusti, pibalukareunana, mung rebu panuhun, gamparan tong sĕmang manah, nindih pati njorang baja ulah gimir, nja kumaha ahirna.

35. Marga djamak nu ngalarap hurip, ngalantungan alam pawĕnangan, wĕnang awon wěnang sae; nuturkeun ombak hirup, Radjaputra imut ngalahir, nadjan Engkang teu pisan, bingung ku sakitu, nindih pati njorang bahja, hanteu gimir djalanan bela ka Njai, djamak nu keur anom mah. [ 47 ]1. Pangeran Purnama Alam, sarěng Sang Putri Pramanik, tětěp di karang kaputran, sarta kalangkung diasih, ku Ratu djeung Meswari, ari siang di kadatun, sagala padamělan, udjug-udjug djol kapudji, ku Meswari sabab radjin ti tadina.

2. Njieun kueh djeung pasakan, aralus sarta běrěsih, pantěs keur tuangeun: radja, atuh djadi gujűr deui, nu mudji ka Sang Dewi, djadi katjapangan saur, sanagara Riskomar, mustika sasmita ati, tjeuk awewe pigustieun di Riskomar.

3. Ear sanagri Riskomar, djalma-djalma balawiri, hajang nongton putri-putra, nir,djadi mustika nagri, nu deukeut nu tarěbih, tjararunduk urang kampung, daratang ti padesan, nongton nu kasep nu geulis, sarta pada njarěbut tjahaja dunja.

4. Pandjang lamun ditjarita, Sang Pinutra djeung Sarig Dewi, geus bumětah di Riskomar, djatnika tur sugih mukti, wantu putra Narpati, ani diěnod diugung, gantjang nu ditjarita, tunda di Riskomar nagri, katjaturkeun di dajeuh nagri Ambarak. 

5. Nagri gěde sarta djěmbar, tur rame djeung sugih mukti, ari nu djadi ratuna, gagah sakti pilih tanding, ratu sedjen nagari, loba nu sudjud taraluk, sarieun ku gagahna, kawuwuh ku dugal běngis, asup basa sakětjap kadua gobang.

6. Lamun něrapkeun hukuman, tara buang tara bui, wungkul hukuman paehan, sumawon ka abdi-abdi, nadjan ka pradipati, salah saeutik digantung, eta kitu adatna, taja timbang taja adil, kakasihna Parabu Putiasukma.

7. Djeung lain wungkul ratuna,-anu djadi murka galih, patihna ge ganti adat, Arja Kumba Aringäring, papatih eta nagri, nja kitu lir adat Ratu, gangasna djeung dugalna, sakti manggulang-mangguling, geus kawěntar ka saban nagara lian.

8. Djeung eta Ratu Ambarak, keur gagah digdjaja sakti, katambah kagungan sobat, leuwih dalit djadi hidji, sarěng hidji Narpati, Ratu di bumi pingpitu, nagri Tolongtělěngan, ratu djin nu leuwih sakti, saban minggu sumping ka nagri Ambarak.

9. Tjaturkeun eta Sri Nata, kagungan putra sahidji, istri putri ti meswara, djěněngan Siti Kaswati, nudju gumantěr galih, juswa limabělas [ 48 ]tahun, teu atjan tjarogean, papatjangan mah geus njangking, putra Ratu Riskomar Purnama Alam,

10. Siti Kaswati harita, katjida kapintjut galih, ku Sang Pangeran Purnama, dumugi kana teu eling, kana pěrtiti putri, kasarung djadi mangpaung, geus taja kaerana, saban siang saban wěngi, amung njambat ka Sang Pangeran Purnama.

11. Malah tuang leueut suda, wungkul sasambat djeung nangis, salira dugi ngajakas, langkung Sri Maha Narpati, nandang kewuhan galih, tina ningal putri kitu, ku katjida kedanan, ku putra Riskomar nagri, Ratu langkung tunggara ku kaewědan,

12. Djeung harita Sang Sri Nata, Keur nudju lěnggah di puri, sarěngan Parameswara, dideuheusan ku papatih, Ki Kumba Aringäring, teu lami Sang Ratu njaur, eh Patih marga kakang, njaur teh arek badami, sabab kakang leuwih-leuwih nandang susah.

13. Estu taja papadana, mikiran Njai Kaswati, katjida kedananana, datang ka sagala leungit, tata titi djeung budi, geus mawur sagala tjatur, taja anu disambat, saban beurang saban peuting, hanteu kěndat njambat ka Purnama Alam.

14. Ĕnggeus taja kaerana, leungit pěrtitining putri, midangdam tjara nu owah, djeung gawena taja deui, ka akang ngan měrědih, hajang geura buru-buru, tikahkeun ka Purnama, malah basana Kaswati, lamun hanteu ditikahkeun enggal-enggal.

15. Tangtu kana mitjeun njawa, rek něwěk maneh ku kěris, atuh kakang teh salěmpang, ngadangu omong Kaswati, inggis něpi ka pati, tjutjud kana mitjeun umur, malah mun teu didjaga, ku ěmban djeung para njai, daek-daek saěnjana kitu lampah.

16. Sarta kakang leuwih heran, ngirim surat tudjuh kali, ka Ratu nagri Riskomar, nja eta ngangkěran djangdji, njalamětkeun Si Njai, nikah ka Purnama Sunu, tapi Ratu Riskomar tempo deui tempo deui, tjula-tjulu kawas lain tata Radja. 

17. Paribasa ngan wagělan, Purnama Alam keur ngadji, tempo tilu opat bulan, kumaha ari geus něpi, hajoh bět menta deui, ajeuna tempo satahun, ku sabab Ki Purnama, ngadji kitab di kiai, nu didjieun angkeuhan halangan nikah.

18. Ana dipikir ku kakang, estu njotjoo teh teuing, mungguh Sang Ratu Riskomar, abong-abong lain wargi, bět hanteu nimbang teuing, ka nu keur tunggara bingung, djalanan ruksak anak, Si Njai Siti Kaswati, hanteu beunang dipisanak dipiwarga.

19. Ku sabab eta kumaha, rěmpugna djeung Arja Patih, ari diantěp [ 49 ]ku kakang Si Njai Siti Kaswati, aringgis nombro gěring, baluas umurna lampus, ari kakang rek maksa, ka Purnama sina kawin, kadongdora minantu beunang mirusa.

20. Teu lami Aria Patya, njěmbah ngawangsul ka Gusti, mung raos abdi Gusti mah, manawi rěmpaging galih, tinimbang putra Gusti, Gan Siti Kaswati ngangluh, bok bilih tětěrasan, sae Purnama pamugi, tjandak bae ti Riskomar kangge tumbal.

21. Margi taja sanes pisan, měnggah raos abdi Gusti, raka Djěng Ratu Riskomar, tempo deui tempo deui, amung ku sapěrkawis, sěmi-sěmi hanteu rudjuk, atanapi Purnama, anu sia purun ati, tina margi emutan mohal katjida.

22. Raka Djěng Ratu Riskomar, tempo sěring-sěring teuing, wuwuh nu djadi wagělan, teu matak djadi mateni; atawa pěrlu leuwih, ukur guguru ka wiku, padamělan Kekah bari pělěsir ge kenging, nu dianggo wagčlan tjara nu ěnja,

23. Tina ku margina eta, upami rěmpag, Djěng Gusti, putra Sang Purnama Alam, ajeuna ku abdi Gusti, sědja bade dipaling, margi emutan nu estu, saupami čngkena, geus kenging Purnama mugi, kědah pisan ku kěrsa Gusti pariksa.

24. Sukana hanteu sukana, Purnama ka putra Gusti, kana enggal-enggal nikah, upami wangsulna nampik, teu purun nikah gasik, tempo sakumaha alur, ku kěrsa Gusti muga, Purnama Wan ia tina margi ngewuhkeun sapapaosna.

25. Amung upami Purnama, tumut ka pangěrsa aki tuměras tikahkeun enggal, tong bade dilami-lami, hawatos abdi Gusti, ningal sarěng langkung paur, bok bilih tětěrasan, baluas Agan Kaswati, lami-lami těrkadang teu damang pajah.

26. Sri Maha Ratu ngandika, ka eta Aria Patih, ari mungguhing kakang mah, nja kumaha karěp Patih, Purnama rek dipaling, kakang mah ngan sambung rudjuk, sartana ngaduduʻa,salariět sartana hasil, ngan iraha pimaksudeun Patih iang.

27. Raden Patih ngawangsulan, manawi idin Djěng Gusti, abdi Gusti pamaksadan, pimioseun dintěn endjing, Ratu ngalahir deui, poe isuk oge rěmpug, diduakeun sing beunang, Purnama Alam kadjingdjing, sarta muga rahaju nandang waluja.

28. Saparantos ditimbalan, teu lami Aria Patih, ka Ratu těras pamitan, gantjangna anu digurit, Patih geus nampi idin, njěmbah Wangsul ti kadatun, těras ka kapatihan, katjaturkeun ěnggeus sumping, Arja Patih ka paseban kapatihan. [ 50 ]29. Pertata daměl biasa, ngěrtakeun eusi nagari, gantjangna nu ditjarita, katjatur isukna deui, Raden Aria Patih, gugah kira pukul tudjuh, djeung tĕras dangdan-dangdan, nganggo njikěp bapa maling, wantu-wantu watěk sakti gagah rosa.

30. Jasa ngambah ngawang-ngawang, lir tědak Suaia iblis, kotjapkeun saparantosna, dangdosan langkung utami, ladjêng lungsur ti bumi, ngaděg di buruan pajun, taja djalma nu ningal, ka Raden Aria Patih, děděl bumi biur ngambah djumantara.

31. Lir kilat bawaning gantjang, Patih Kumba Aringäring, ngapak kana mega-malang, lalampahan tudjuh peuting, ti Ambarak nagari, ku nu leumpang mun diitung, ka nagara Riskomar, ari ku Aria Patih, hanteu leuwih tudjuh djam lat di djalanna.

32. Geus ngungkulan ka Riskomar, Patih Kumba Asing aring, aja dina megabodas, ngaranděg bari ngalahir, dina lěběting galih, gagal aing lamun těrus, ajeuna ka kaputran, tangtu aja anu manggih, tina sabab tjaang kawantu ti beurang.

33. Djeung kadua pěrkarana, sanadjan aing ngaleungit, mapatkeun nja halimunan, kumaha lamun kapanggih, ku djalma nu mangarti, luhung pangadjen paněmu, waspada paningalna, aing lain sabab gimir, ngan tinangtu nandang wirang kajahoan.

34. Ah aing moal ajeuna, ěngke bae peuting-peuting, nja asup ka djěro kota, malar taja anu njaring, ngan ajeuna mah aing, di dieu heula ngalantung, ngangin di mega-malang, bari ngadagoan puri, moal kěsěl ukur antara lima djam.


Pangkur

1. Gantjangna ieu tjarita, tunda heula Ki Kumba Aringäring, Purnama Alam katjatur, sarěng Dewi Kania, di kaputran duaan keur guněm tjatur, djeung dina waktu harita, geus pukul dalapan peuting.

2. Purnama Alam ngandika, ngkang naha wet tara ti sasari, nandang teu nangan lalěsu, djeung hate sisiakan, palangsiang balukar kana kabingung, njorang raga pantjabaja nindih balahining diri.

3. Ngawangsul Dewi Kania, ěh gamparan abdi ge sami², nandang teu nangan lalěsu, samalah ti mangkukna, amung abdi ka gamparan teu miundjuk, bok bilih djadi karěntag, manah gamparan, sajakti.

4. Purnama Alam ngandika, rasa ěngkang pasti moal sak deui, kana [ 51 ]

51

alamat pakewuh, tatapi Njai muga, tong dipake leuleus lungse lumpuh lěsu, nja kumaha bae kadar, tumande ka Maha Sutji.

5. Katjatur Patih Ambarak, Arja Kumba ngalajang di wiati, hantet lila těrus lungsur, monteng ti djumantara, udjug-udjug ka kaputran nu didjugdjug; geus sumping ka kêbon kěnibang, anu di pajuneun bumi.

6. Ngaděg sarta majun ngiblat, geus ngawatěk elmu dua pěrkawis, hidji sirêp malar tunduh, kabeh urang Riskomar, kaduana ngaleungitkeun djirim alur, ngaran adji halimunan, bisi aja nu ningali.

7. Patih lěs ngilangkėun badan, sačnggeusna têrus Aria Patih, tina kêbon kêmbang madju, kana latar kaputran, sarta gantjang kana djěro bumi asup, njoreang ka pagulingan, Arja Kumba Aringiring,

8. Sang Putra djeung Sang Kania, tatjan kulěm masih keneh laling- gih, ka Arja Patih teu maphum, djongdjon ngaraos kitab, Patih Kumba ngaděg pajuneun Sang Sunu, sarta kaget lěbět manah, ku ningali ka Sang Dewi.

9. Njaur salěběting manah, ih paingan Purtama Alam nampik, ěmbung nikah buru-buru, tempo taja tungtungna, ka Kaswati da boga bodjo nu alus, geulis endah taja bangsa, leuwih-leuwih ti Kaswati.

10. Tapi ajeuna mah beunang, moal burung Ki Purnama kadjingdjing, dibuntěl dibawa ngapung, nadjan teu sasarean, diulasan ku aing ku tjai tênung, supaja taja dajana, moal gěruh djěrat-djěrit.

11. Teu lami Aria Patya, těrus muka djimatna tjupumanik, nja eta wadah tjitěnung, rek ngulasan Sang Putra, ngan hadena Pangeran putra keur nudju, ngagêm djimat talirasa, atawa nurasadjati,

12. Patih barang rek ngulasan, ka Sang Putra panangan Arja Patih, ngerepes ngulas teu tulus, karaos langkung panas, tjara njagap kana seuneu anu hurung, heran Arja Patih Kumba, tapi tuluj mindo deui.

13. Barang Patih ngaragamang, heab deui karasa ku Ki Patih, pa- nasna kaliwat langkung, tatapi harita mah, anu panas lain pananganna - wungkul, něrěkab kana salira, dugi ngědjat Arja Patih.

14. Ka luar ti pagulingan, tjai těnung ti djěro tjupumanik, uwar-awer beak ngutjur, tjambal dadak sakala, da kahebos ku djimat. Pangeran Sunu, tapi Sang Radja Pinutra, teu ngaraos aja maling.

15. gan ngaraos sakalintang, samar polah sarta sumêblak galih, těras ka Sang Dewi njaur, bari ngalaan djimat, ieu ěngkang mihape tjěkěl ku ěnung, ěngkang rek njělang kana bak, ku hareudang arek mandi.

16. Ditampi ku Sang Kania, Sang Pinutra ti dinja hanteu lami, lungsur sarta njandak anduk, njalira taja rentjang, wantu-wantu gandek

kat£rapan tênung, sirěp matak hees tibra, gěmpar taja anu njaring. [ 52 ]

52

17. Gantjangna ieu tjarita, katjaturkeun Ki Kumba Aringäring, ma- nahna kalangkung ewuh, tina kitu sababna, aja panas leuwih ti seuneu nu hurung, kumaha baris njandakna, kitu manah Arja Patih.

18. Turug-turug katiwasan, tjai těnung seep mawur teu kari, njaur salěběting kalbu, atuh aing tjilaka, Sang Purnama tinangtu moal kabantun, tjara kieu mah-pětana, leuwih panas matak mati.

19. Tatapi reudjeung tinimbang, teu kabawa Sang Purnama ku aing, měnding aing njorang lampus, kasurak di Riskomar, sabab lamun Purnama hanteu kabantun, tangtu meunang kaběnduan, ti kěrěsa Kangdjěng Gusti.

20. Terkadang-njěrang lěpasan, disingkirkěun ti Ambarak nagari, barang keur ngamanah kitu, Patih ningal Sang Putra, rek ka luar tina kamar sarta lungsur, njalira teu djeung garwana, Raden Patih těras singkil.

21. Bari nuturkeun Sang Putra, Sang Pema barang kana bak sumping, panganggo tatjan ditjutjul, djol lěng taja emutan, tina sabab katrapan sirěp těnung, rumpujuk taja dajana,, leuleus. lir asiwung badis.

22. Ari nu djadi sababna, pangkatěrap ku wisajana Patih, wireh Sang pinutra Sunu, pisah djeung djimat tea, lěpat kana piwuruk Sang Maha Wiku, gantjangna Aria Kumba, teu tata pasini deui.

23. Djol dirawu Sang Pinutra, sarta těrus dipunggu hěnteu usik, belěsat dibawa ngapung, sarta bari susumbar, hajoh susul saha djagona nu pundjul, ponggawa nagri Riskomar, ieu aing bapa-maling.

24. Arja Patih Kumba kěbat, geus ngalajang dina těngah wiati, bawaning bungah běběluk, Sang Pangeran Pinutra, sadjadjalan hanteu pisan emut-emut, bawaning matih elmuna, sirěpna Sang Arja Patih.


Asmarandana

1. Pandjang lamuynna ditulis, katjatur Aria Patya, ngagandong Pangeran Anom, ngêbut dina djumantara, sarta teu lami dongkap, ngan teu těrus ka kadatun, ngadjugdjug ka kapatihan.

2.Pangeran Pinutra masih, teu aja emutanana, lungse wungkul ěmpes-ěmpes, sarta ku Aria Patya, Radjaputra Purnama, ditjandak ka kamar pajun, diebogkeun dina randjang.

3. Ku tina ěnggeus sajagi, wantu kamar patamuan, kulambu kasur [ 53 ]djeung sĕpre, ari saĕnggeusna těras, Aria Patih Kumba, djĕngkar bae ka kadatun, bade ngadeuheus ka Radja.

4. Sarta hanteu lami sumping, Aria Patih Ambarak, ngadeuheusan ka Sang Katong, djĕro gĕdong karatuan, barang Djĕng Ratu ningal, langkung-langkung bungah kalbu, sartana ladjĕng mariksa.

5. Aeh geus datang Ki Patih, hanteu kĕsĕl ngadagoan, djeung kumaha hasil oge, Patih njĕmbah ngawangsulan, ka Sri Maha Narpatya, aja hibar Gusti estu, wiludjĕng miwah hasilna.

6. Mung ajeuna putra Gusti, Sang Putra Purnama Alam, di rorompok abdi keneh, Sri Maha Ratu ngandika, atuh nja nuhun pisan, ngan kahajang kakang estu, ajeuna Purnama Alam.

7. Dina peuting ieu misti, pindahkeun ti kapatihan, sina di kaputren bae, da geus meunang nětěbahan, djaga ku gulang-gulang, Aria Patih ngawangsul, njumanggakeun ka Sri Nata.

8. Njěmbah Patih sarta mulih, ti kraton ka kapatihan, ngambangkeun dawuh pagusten, Siti Kaswati kakotjap, langkung tina bungahna, jen putra Sunu kabantun, ti kota nagri Riskomar.

9. Irihil gumuju njĕngir, dulak-dilak rundat-rindat, sarta bari emok tjabok, tambah polah tambah tingkah, djadi madju owahna, Kalangsu ku kĕbĕk napsu, robah manah djalan bungah.

10. Katjatur Aria Patih, geus sumping ka kapatihan, njandak Sang Pangeran Anom, sarta hanteu lami těras, ka kaputran ditjandak, dipunggu teu emut-emut, Pangeran Purnama Alam.

11. Katjaturkeun ĕnggeus sumping Pangeran Purnama Alam, těras diebogkeun bae, dina kamar pagulingan, ari saparantosna, ku Arja Patih ditutup, didjaga ku gulang-gulang.

12. Kaliwon djeung mantri-mantri, sarta upas upatjara, di gĕdong karang kaputren, nu nuguran Sang Purnama, dina wĕngi harita, malah Patih ge teu wangsul, ka pakuwon kapatihan.

13 Pandjang lamunna ditulis, pěrlampah peuting harita, gantjangna nu ditjarios, katjatur poe isukna, Sang Pangeran Pinutra, kira nudju pukul tudjuh, ngalĕnjap tĕras kemutan.

14. Pangawasa Arja Patih, sirĕp tĕnung tadi tea, geus dibuka malar hade, Sang Radjaputra Purnama, barangna geus kemutan, ngahuleng kewuhan kalbu, ningal ka tĕngĕn ka kiwa.

15. Karaos sedjen tingali, kana sipat barang-barang, kulambu bantal, djeung sěpre, djeung tĕmpat djĕroning kamar, beda ti sasarina, hanteu lami gugah gugup, djeung njaur lĕbĕting manah.

16. Ih naha aing teh ngimpi, mana beda tetendjoan, sakur sipat nu [ 54 ]kareret, djeung ka mana Nji Kania, bět hudang miheulaan, barang geus ngamanah kitu, Pangeran Purnama Alam.

17. Sang Radjaputra lat lali, bawaning ku kakěběkan, ku kewuhan nja pangraos, tunggara kiamat manah, poek buana alam, Radjaputra ngarumpujuk, leuleus taja pangawasa.

Sinom

1. Tjaturkeun bae enggalna, putrana Sang Narapati, nja eta Kaswati tea, teu kintěn sukana galih, reh harita geus nampi, dawuhan ti Kangdjěng Ratu, dipiwarang ngalajad, ka Purnama beunang maling, ladjěng bae harita ngome salira.

2. Mimiti malur salira, ku atal supaja kuning, pameunteu ku wědak tjina, djeung make karang ku sěmir, di těngah-těngah pipi, djeung dina tungtung pangambung, sarta nganggo disipat, nganggo pipilis mělěngking, nu dipalar taar lir bulan tumanggal.

3. Sarta lamběj digintjuan, digandik waos dimasi, sanggulna pinuh ku kěmbang, tjampaka ros katjapiring, panganggona kawarti, sindjang songket nu ngagěbur, djeung nganggo běnten ěmas, sarta oto sutra kuning, turut sisi didjěpit ku pasmen bodas.

4. Angkeng nganggo diepekan, malar lěngkeh lir papantihg, sutra koneng raksukanna, sarta. ku pasmen didjěpit, hanteù nganggo panitih, ngan anting nu guntang-gantung, intěn sagěde muntjang, kangkalung sagěde piring, dikonkojang ku karembong sutra djingga.

5. Kaos hideung kěmbang-kěmbang, gesperna nganggo rarawis, djambrut mirah mutiara, reudjeung sarung tangan deui, sarta reuntjeum ku listring, ramo nu sapuluh pinuh, ngagěbur tingbaranjaj, wantu ěmas kenging njanglingaturug-turug panabur intěn běrlian.

6. Katjatur saparantosna, teu lamti Agan Kaswati, kaluar ti pagulingan, ěmban-ěmban anu ngiring, ladjěng djěngkar ti puri, sěmu běngkung ku kangkalung, dangah da ku kongkojang, rada ngidjing da ku pěnding, ngagandeuang da sanggul beurat ku kěmbang.

7. Gandang-ginding keupat eundang, panangan dibanting-banting, djeung gěntra rada karadak, ku sabab Agam Kaswati, sěděp njěsěp teh teuing, bako tongbu geus ngabadju, malah-malah harita, angkat djeung njěsěp ulatjir, tur mapatkeun kinasihan kasěmaran.

8. Siti Kaswati harita, ka kaputran ěnggeus sumping, djeung sakabeh [ 55 ]ĕmban-ĕmban, lumĕbĕt bae ka bumi, njondong mantri nu kĕmit, djeung kaliwon djaga satru, barang kabeh naringal, ka eta Siti Kaswati, langkung-langkung karaget ningal dangdosan.

9. Djeung batur patingal-tingal, pating kalieus ka gigir, garumudjĕng nengkep baham, sadajana mantri-mantri, jen ningali Kaswati, lampah lir nu owah estu, Kaswati hanteu lila, mariksa ka para mantri, mamang-mamang di mana akang Purnama.

10. Alo teh arek nĕpangan, bari rek babakti diri, bung ngosokan ku kasaj, diwawangi ros paradis, reudjeung minjak malati, dibalur ku lulur pupur, baris akang Purnama, mantri tugur hanteu lami, ngawangsulan sumuhun aja di kamar.

11. Malah ti tadi teu kěndat, Pangeran Putra ka abdi, marisakeun ka gamparan, saurna ku hajang panggih, barang Siti Kaswati, ngadangu mantri piundjuk, langkung bungah manahna, gumuju mani ngagikgik, kĕlat-kĕlet bari ngělel-ngělel letah.

12. Dugi mawur kĕmbang patjar, saurna lah deudeuh teuing, nu kasep kutan ngantosan, tjoba atuh mamang gasik, ulah rek lami-lami, geuwat laán eta pintu, alo arek něpangan, djungdjunan panutan ati, bisi pundung ku djalanan lat dilajad.

13. Gantjangna kamar dibuka, ku mantri anu ngadjagi Pangeran Purnama Alam, harita eukeur ngalindjing, sarta satĕngah lali, morobot saur teu puguh, tina sabab manahna, nekad kana buang pati, rek lahlahan ngamuk di nagri Ambarak.

14. Barang Sang Purnama Alam, keur susumbar mundut pati, ningal panto kamar muka, sarta sidik ka Kaswati, Pinutra leuwih-leuwih, kaget salĕbĕting kalbu, hookeun teu ngandika, ningal dangdanan Kaswati, tjara tědak bangsa djalma anu owah.

15. Tungtungna Purnama Alam, ningal ka Siti Kaswati, gimir sadjěroning manah, sieun leuwih ti ku djurig, djeung njangka ka Kaswati, mana kitu oge palung, tjulang-tjileung Sang Putra, inggis ngarontok Kaswati, arek lumpat da puguh teu aja djalan.

16. Keur sieun katambah-tambah, Siti Kaswati ngalahir, djeung luhak-lehek ngimutan, masa Allah sigěr tjeuli, iraha kulan sumping, nja tjai ngotjor ti luhur, akang pupudjan rasa, mustika panutan ati, lah sumangga ieu kuring bakti badan.

17. Pangeran Purnama Alam, ningali tandang Kaswati, mani geus teu puguh rasa, rarasaan asa ngimpi, dumugi kana lali, kasima teu jasa njaur, mun di budak mah sawan, Siti Kaswati teu lami, tina langkung teu tahan nahan kahajang. [ 56 ]

56

18. Ngarontok ka Radjaputra, pananganna nu dikeumbing, djeung njiwit kana angkeutna, bari njêbat bosên teuing, Si Djěnet gusti aing, ditanja hanteu ngawangsul, Radjaputra Purnama, jen dirangkul ku Kas- wati, langkung gugup bawaning ku kasukěran.

Pangkur

1. Pangeran Purnama Alam, tina langkung pusing satěngah lali, ngageubigkeun nu ngarangkul, ku panangan nu kiwa, Agan Siti Kaswati keuna kababuk, lěbah pinareupna pisan, Kaswati njuuh teu eling.

2. Nangkuban teu jasa gugah, Radjaputra ti kamar hanteu lami, gantjang ngědjat bae těrus, mantri-mantri sadaja, pada kaget ningal Sang Kaswati njuuh, maruru ka djêro kamar, Pinutra hanteu katolih.

3. Pangeran Purnama Alam, ti kaputran geus bidjil lumpat tarik, Sarta rumenghap rumandjug, bari bibirigidigan, djeung mahahna mang- paung kaja ngalindur, tapi barang geus ka luar, Sang Radja Pinutra eling.

4. Ngaos ta'ud djeung istigpar, lami-lami sieun gêntos ku pusing, manah nekad mitjeun umur, nigas Putiasukma, malěs hukum dumeh dibojong dirěbut, Pangeran Purnama Alam, djuměngkar ka srimanganti.

5. Sri Maha Putiasukma, waktu eta nudju linggih di puri, Prames- wari hanteu kantun, sarta Aria Patya, mantri-mantri djeung kaliwon djaga satru, ngaberes ngadareuheusan, pajuneun Sang Sri Narpati.

6. Sang Ratu ladjěng ngandika, adi Patih Ki Kumba Aringäring, kakang ajeuna nu estu, pikiran leuwih sênang, hěnteu aja ati rempan djeung mangpaung, ku sabab Purnama Alam, ajeuna ênggeus katjangking.

7. Ngan kari nikahkeunana, Ki Purnama ka Nji Siti-Kaswati, paksa sanadjan teu purun, reudjeung kahajang kakang, Patih kudu indit deui poe isuk, ka dajeuh nagri Riskomar, deuheusan raka Narpati.

8. Bisi manahna,baluas, sumangkana Purnama Alam leungit, dibawa ku nu teu puguh, teu njanaeun di urang, Arja Patya njěmbah sartana ngawangsul, ka Djěng Gusti Sri Narpatya, kaulanun dawuh Gusti.

9. Abdi Gusti sajaktosna, taja sanes ngadjěng siang djeung wěngi, dawuhan Gusti nu estu, marga bubuhanana, abdi Gusti tumut dibawah pangdawuh, mung maksad undjuk uninga, supados djadi tingali.

10. Marga putra Sang Purnama, di dituna parantos gaduh rabi, rupina geulis kalangkung, abdi Gusti němbean, ningal anu geulis saru[ 57 ]pining kitu, wangkid ajeuna di dunja, sĕmi rugĕl njiar tanding.

11. Duka Gusti urang, mana, amung. kewĕs putri tĕrah Narpati, katingal tjahjana mantjur, margi eta kantĕnan, putra Gusti Purnama Alam ka pajun, tangtos pisan kana baha, kana pangĕrĕsa Gusti.

12. Nadjan putra Sang Purnama, kenging oge dipaksa ku Djĕng Gusti, sĕmi moal djadi runtut, saparantos nikahna, Sang Purnama ka putri Gusti nu estu, samalah tadi sanggĕmna, Purnama ka abdi Gusti.

13. Tinimbang kenging dipaksa, ka Kaswati mĕnding nĕmahan pati, di Ambarak mitjeun umur, eta kitu sanggĕmna, Sang Purnama ka abdi Gusti nu estu, mung eta sadaja-daja, pigaliheun kĕrsa Gusti.

14. Barang ngadangu Sri Nata, piundjukna Raden Aria Patih, sakĕdap teu pisan njaur, tina langkung kewědan, inggis putra teu djadi tumulus lulus, kana ditikahkeunana, wělas ka Siti Kaswati.

15. Upama hanteu laksana, ka Purnama Kaswati tangtu mati, nadjan hirup tangtu palung, tina leuwih kedanan, eta kitu manahna Sri Maha Ratu, sarta teu lami ngandika, ka Raden Aria Patih.

16. Ih kitu mah nja paingan, Ki Purnama djangdjina lantja-lintji, ka pangangkěr kakang estu, ari geus bodjoan mah, ngan bĕt naha Ratu Riskomar ku kitu, wani-wani lampah tjidra, kana subaja nu tadi.

17. Kapan Purnama geus, boga, papatjangan ka Nji Siti Kaswati, pangreremo ti lĕlĕmbut, ahir-ahir ajeuna, Sang Pramajon kawas lain tata ratu, kurang wiwaha pěrjoga, kena-kena nganarpati.

18. Nganjĕnjĕri mere lara, kawas lain ka bangsa Sri Narpati, sami tjukup bataliun, pada djĕmbar kawasa, tukang ngambah danalaga djaja pupuh, tatapina ajeuna mah, pikir kakang kadjeun teuing.

19. Da anakna, geus karawat, moal burung nikahna ka Kaswati, dipaksa nadjan teu purun, ngan ajeuna Ki Arja, indit deui ka Riskomar buru-buru, njokot bodjo Ki Purnama, paehan bae ku Patih.

20. Sabab eta anu asal, ngaburungkeun kahajangna Kaswati, ngarĕbut bebene batur, nja nĕpi ka kieuna, tjunduk soteh djalan dibokong dirěbut, Arja Patih ngawangsulan, njumanggakeun ka Djěng Gusti.

21. Gantjangna ieu tjarita, barang eukeur Kangdjĕng Ratu wawarti, Purnama Alam katjatur, bawaning kaleberan, mědal hawa pusing dugi hanteu emut, ilang pěrtata kusumah, leungit pěrtiti sadjati.

22. Mawur warti sasar manah, sambat-sambat mundut rek nadah pati, bari nudju ka kadatun, Sang Pangeran Pinutra, barang sumping ngaděg pajuneun Djĕng Ratu, nundjuk sartana ngandika, ka Sang Putiasukmadji.

23. Eh Prabu Putiasukma, naon sabab wět kumawani maling, diri [ 58 ]

58

kami anu estu, ngabokong lampah tjurang, kawas lain tědak nu djadi pangagung, nulad bibit, duruwiksa, njangking titi banaspati.

24. Maksa ka djalma teu suka, direremo ka anak maneh putri, awewe pangaděg kitu, lukak kaja galadag, kitu deui nadjan kami anu estu, ku maneh arek dipaksa, dikawinkeun ka Kaswati.

25. Anggur kami mitjeun njawa, utjul diri někanan baja pati, adjur lêbur djadi lêbu, tinimbang kana beunang, dikawinkeun ka awewe rupa kitu, adat kaja duruwiksa, kami hanteu sudi teuing.

26. Sri Maha Putiasukma, sarêng Patih Ki Kumba Aringäring, kagetna kaliwat langkung, jen ningal ka Sang Putra, sadjongdjongan hookeun teu jasa njaur, ngan wungkul patingal-tingal, sarêng Raden Arja Patih.

27. Pangeran Purnama Alam, têras bae bawaning langkung pusing, newak panangan Sang Ratu, sarta ngulungkeun tangan, ngan tangginas Arja Patih Kumba muru, njěkěl ka Purnama Alam, djeung diděngkek langkung tarik.

28. Dirědjěngan ku sadaja, para an nu djaga pantjaniti, Purnama Alam dihurup, pada mararuntangan, pananganna sawareh sampean rambut, pinutra teu jasa obah, njuuh pajuneun Djěng Gusti.

29. Tapi teu wěleh sasambat, eh Sukmadji geus iklas diri kami, geura tigas masing lampus, montong dilila-lila, bisi kami kaburu deui patěpung, reudjeung anak maneh tea, si, Kaswati banaspati.

30. Sri Maha Putiasukma, langkung gugup njěntak ka Raden Patih, hajoh geuwat-geuwat ringkus, sing pageuh bisi lepas, sarta kudu dina kamar gělap tutup, gantjang. ku Aria Patya, Pinutra dirante beusi.

31. Digotong ku sadajana, Sang Pinutra ku sadaja. pramantri, ti pajun gědong kadatun, ka djěro pangbuian, hanteu lila Pinutra těrus ditutup, dina djěro kamar gělap, nu nuguran para mantri.

32. Sri Maha Ratu Ambarak, pok ngandika ka Raden Arja Patih, gogoděg ngusap-harigu, lah meh bae tjilaka, si Purnama datang ka wanieun kitu, tjonggah kana ngabinasa, ka anu djadi Narpati.

33. Dipaling soteh manehna, lain pisan rek niat nganjěnjěri, estu rek dipulung mantu, gadangan djadi Radja, di Amabark dipusti diugung- ugung, bêt ahir tjara babasan, nu asih dipulang sěngit.

34. Tatapina ajeuna ntah, Ki Purnama misti ku Arja Patih, dina djěro bui tutup, ulah meunang kaluar, itung-itung disiksa djalan teu nurut, suganna datang pikiran, sabar sadrah sěrah diri.

35. Sarta ulah kěndat-kěndat, dina bui tuguran beurang-peuting, ku para wadya soldadu, bisi Purnama Alam, ngěntjar tega kana geusan

mitjeun umur, bukti dina sasambatna, rupa teu samar teu gimir. [ 59 ]

Asmarandana

1. Kangdjěng Gusti Sri Narpati, saparantos ngadawuhan, těras didjalankeun bae, ku Aria Patih Kumba, sakumaha timbalan, jen para wadya soldadu, nuguran di pangbuian.

2. Kěrsana Sang Sri Narpati, ka Sang Pangeran Purnama, nadjan saumurna oge, bět moal sina kaluar, lamun hanteu sumadrah, tumut sumudjud satuhu, kana pangěrsa andjeunna.

3. Gantjangna anu digurit, sabada Ratu nimbalam, djeung masih gěmpungan keneh, sugri anu ngadeuheusan, hanteu lami djol dongkap, mantri ka pajuneun Ratu, sarta runghap-renghap reuwas.

4. Mariksa Maha Narpati, ka Ki Mantri Tjakrabaja, maneh rek piundjuk naon, djeung sěmu manggih kareuwas, Mantri njěmbah undjukan, sumuhun dawuh Sang Ulun, supados djadi uninga.

5. Pěrkawis Sang Adjěng Putri, njorang kana pantjabaja, di gědong karang, kaputren, dirěsak ku Sang Purnama, ditibanan panangan, ajeuna teu emut-emut, lungse teu daja-upaja.

6. Duka Gusti naon margi, Purnama Alam nanganan, ka putri Gusti sajaktos, kalajan saparantosna, Purnama Alam ngědjat, teu kabudjěng ku nu tugur ditangkěpna Sang Purnama.

7. Kangdjeng Gusti Sri Narpati, ngadangu mantri undjukan. Putri njorang baja, gěde, kalintang bae kagetna, dumugi kapoekan, lungsur lumpat ti kadatun, sarěng Sang Parameswara.

8. Patih mantri lumpat ngiring, bade ngalajad nu bahja, těras ka kaputren bae, barang geus sumping pěrtela, katingali ku Radja, sidik putri nandang ngangluh, dipangkon ku ěmban-ěmban,

9. Hanteu pisan eling-eling, ngadjěhdjěr tjara nu wapat, ngalehleh digulang gaper, ngan ukur bae napasan, Radja sarěng Meswara, ngarangkul ka nu teu emut, djeung bari nangis sasambat.

10. Deudeuh teuing anak aing, Kaswati bět njorang bahja, si Purnama tajoh gelo, bět wani-wani ngaruksak, ka nu ka ah arek mituhu sumudjud, manutan dunja aherat.

11. Duh aduh Njai nu geulis, kawas lain těrah ama, meunang tjotjobaning goreng, tjing Njai geura kemutan, ieu ibu djeung ama, ulah dirubung ku bingung, digunturan kasukêran.

12. Bisi ama nindih pati, balangsak ruksak raraga, djalan leber dju[ 60 ]wět hate, mikiran Njai sorangan, ku teu aja angeusna, ngandung ngungun gěring nangtung, mehmeh ama tilar dunja.

13. Djěng Gusti Sang Sri Narpati, sarěng rai Prameswara, nangis hanteu kěndat bae, bawaning těrěsna manah, dumugi sambat-sambat, Putri anu digugulung, ku Ratu djeung Prameswara.

14. Sadajana kitu deui, para kapala Ambarak, sami kêmpêl di kaputren, sarta pada nandang reuwas, sumawon pragarwana, narangis pating salêgruk, sawareh anu midangdam.

15. Nangisan Sang Radja Putri, salěmpang bok těras wapat, tina ningal Putri lungse, teu aja emutanana, ditawa dilandongan, dibalur bok rěmuk balung, bura bisi pěgat urat

16. Sawareh nu niup tjěpil, sawareh anu meuseulan, djeung tjuhtjoh pada ngadjampe, tapi djongdjon hanteu waras, taja elinganana, sadajana bati ewuh, ku tina tumbal teu měntal.

17. Sri Maha Ratu teu lami, ngadawuh ka Arja Patya, běrěngos soantěn gěwong, pusing ningal Putri baja, Sang Ratu ngandikana, dumugi ngagisik rambut, eh jaji Aria Patya.

18. Kakang geus něpi ka djangdji, raga nandang pantjabaja, tumete pati kasered, ku pati anak sorangan, ku sabab pikir kakang, mun Kaswati pondok umur, kakang tangtu njorang adjal.

19. Nadjan kakang nganarpati, ngaraton nagri Ambarak, moal tigin sirna hate, ku lantaran paeh anak, asal kieu pětana, dilěbur ku anak batur, kakang bangět hanteu suka.

20. Tina sabab eta misti, ajeuna Purnama Alam, kudu geuwat-geuwat bae, ku Arja Patih hukuman, sakumaha biasa, tetesan ku banju těnunġ, sina djadi batu artja.

21. Selehkeun ka Sang Ratu djin nagari, Tolongtělěngan, sina didjieun papaes, di guha karang panjiksan, kamar si Padjarangan, ngarah djadi parab ratjun, pek ajeuna geuwat-geùwat.

22. Arja Kumba Aringäring, saěnggeus nampi dawuhan, njěmbah njumanggakeun bae, sarta hanteu lami djěngkar, ti karang kaputrian, pangbuian nu didjugdjug, ka Radja Putra Purnama.

23. Purnama Alam kawarti, dina djěro kamar-gělap, ngalindjing taja kasěber, sartana geus nekad manah, anggur njorang nja wapat, djeung tinimbang kana purun, nikah ka putri Amabarak.

24. Lami-lami tambah lali, kaja tata owah manah, sasauran lir nu mabok, nangtang ka wadya Ambarak, mumundut kana wapat, bari ngagědoran pintu, Pangeran Purnama Alam.

25. Leungit titisan Narpati, ilang těrahing kusumah, bawaning agêng [ 61 ]wawanen, bubar ilang pangawasa, ari nu djadi sabab, pang kitu djalan kasiku, nilar nurasdjati tea.

26. Kapan subajana tadi, Sang Rĕsi Muhamad Kurbah, ka Radjaputra papagon, djimat nurasdjati tea, agĕm sapapaosna, samĕnit ulah dikantun, bok bilih njorang tjotjoba.

27. Kadua pĕrkara deui, wasiat Sang Rĕsi Kurbah, dikĕdahkeun purun bae, nikah ka putri Ambarak, ulah rek teu kĕrĕsa, nja ajeuna ĕnggeus timbul, bahjana Radja Pinutra.

28. Gantjangna anu digurit, teu lami Aria Patya, lĕbĕt kana bui bae, barang braj panto dibuka, kasondong Radjaputra, eukeur ngagĕdoran pintu, djeung ngotjomang sasauran.

29. Ngalirik ka Arja Patih, Pangeran Purnama Alam, nundjuk leber ku wawanen, ngandika aeh Si Kumba, tĕrah bangsa rasĕksa, lampah murka djuru hasud, tjing aing geura tigasan.

30. Sanadjan aing teu mati, dihirupan dipiara, moal kana sadrah hate, kawin ka anak siluman, tĕrah Putiasukma, bibit djurig djuru tĕnung, Si Kaswati kasetanan.

31. Radjaputra hanteu lami, saparantos sasauran, ka Arja Patih ngarontok, djeung bari nibakeun tangan, ka raraj Arja Patya, nu kiwa ngadjěnggut rambut, Patih Kumba teu ngalawan.

32. Anggur gumudjĕng ngagikgik, sarta bari sasauran, ulah sok ngunghak ka kolot, aing ngaran Arja Kumba, senapati Ambarak, anu mashur djuru pupuh, lain patih bapa sia.

38. Pinutra ngalahir deui, tjing atuh ari ĕnja mah, senapatining palugon, aing teh geur paehan, da aing hanteu kĕmba, maksud lĕbur djadi lĕbu, taja geusan panasaran.

34. Ngawalon Aria Patih, sanadjan sia teu menta, kami moal burung bae, nibakeun hukuman sia, dina waktu ajeuna, karana sia nu estu, milampah dua pĕrkara,

35. Hidji sia wani-wani, baha ka nu djadi radja, Sri Maha Ambarak Katong, ari kadua pĕrkara, sia ĕnggeus naruksak, nganiaja putri Ratu, Siti Kaswati nonoman.

[ 62 ]

Sinom

1. Pangeran Purnama Alam, nguping saur Arja Patih, jen bakal meunang hukuman, gumuju bari ngalahir, lah sukur Arja Patih, kami menang hukum gantung, pangadilan Ambarak, ngan pamenta diri kami, geuwat-geuwat ulah rek dilila-lia.

2. Malar kami gantjang pěgat, njingkir ti ririwit lahir, kaluar ti lara dunja, ajeuna geura pek kami, ku maneh hukum pati, naon bae sapamaksud, ditodjos djeung dipědang, kami sadrah lahir batin, hanteu lami Aria Patih Ambarak.

3. Muka tjupu wadah djimat, banju těnung nu sajakti, sarta barina ngandika, tjoba tadah djimat aing, banju saktining leuwih, sia tangtu ganti patut, teu lami Arja Patya, eta djimat banju sakti, diulaskeun kana taar Sang Pinutra.

4. Kěrsa Allah hanteu gagah, barang diulas teu lami, Pangeran Purnama Alam, bět udjug-udjug ngadjadi, taja napas teu usik, salira teuas lir batu, sihoreng djadi artja; wisajana banaspati, Arja Kumba gumudjěng bari ngandika.

5. Njaho ku sia karasa, eta panghukuman aing, lalanang nagri Ambarak, bongan sia bědang ati, teu nurut ka Bopati, ěmbung didjieun minantu, ajeuna djadi artja, moal djadi djalma deui, sabab moal aja nu bisa nambaan.

6. Teu lami ku Arja Patya, artja ditjandak ti bui, dibuntěl ku boeh kasar, bade dianggo babakti, ka Sri Maha Ratu djin, nagara bumi pingpitu, keur parab ingonanna, wěrědjit nu leuwih matih, dina kamar Padjarangan panjiksaan.

7. Djeung gědena eta guha, ditaksir sapos pasagi, kagungan Ratu djin tea, dituguran ku para djin, sakur bangsa děděmit, siluman bumi pingpitu, djeung aja kapalana, tukang ngatur nu karêmit, Baraspati tjitjingna di lawang guha.

8. Minangka djuru kuntjina, djangkung gěde gagah sakti, kawantu-wantu kadjinan, kapěrtjajaan Sang Adji, ngadjaga guha tjandi, purah nampa beunang něnung, eta kitu damělna, Ki Mas Mantri Baraspati, geus kamashur gěgědug pěndjaga guha.

9. Guha teu kira santosa, rangkěp wadja sakuriling, tur aja di sapatala, estuning leuwih mustahil, mun aja anu wani, atawana bisa asup. [ 63 ]mungguh bangsa manusa, sanadjan kasĕbut sakti, da sareʻat kitu pĕpĕtaanana.

10. Gantjangna Aria Kumba, kana lawang guha sumping, manggul artja Sang Purnama, dibikeun ka Baraspati, sarta bari ngalahir, ieu djasad rai ngintun, artja Purnama Alam, anak Sang Pramajon Adji, anu baha ka Gusti Maha Ambarak.

11. Kĕdah tutup dina guha, di djĕro kamar wěrědjit, ngaran Djurung-padjarangan, ku Baraspati ditampi, tapi bari ngalahir, kang raka teu atjan wantun, ngalĕbĕtkeun ka guha, ari margina kang rai, kĕdah nĕda idin Djĕng Ratu Tolĕngan.

12. Patih Kumba ngawalonan, teu kĕdah něda paidin, ka Gusti Tolongtêlêngan, margina djasad kang rai, parantos nampi lahir, ti kěrěsa Kangdjêng Ratu, nagri Tolongtĕlĕngan, idin sakarĕp kang rai hal ngasupkeun ka guha karang panjiksan. |

13. Baraspati ngawalonan, ka Raden Aria Patih, nja kitu mah mangga, gantjangna anu digurit, tuluj ku Baraspati, gĕbrus Purnama ditutup, di kamar Padjarangan, nu ngdjaga hidji mantri, ngaran Ginggi kuntjen kamar Padjarangan.

14. Arja Kumba tĕras mulang, ka Ambarak ĕnggeus sumping. ngadeuheus ka Kangdjĕng Radja, sarta kasondong ku Patih, masih keur nararangis, sabab Putri tatjan emut, Ratu ladjĕng mariksa, ka Raden Aria Patih, sarta langkung sumiak paromanana.

15. Eh jaji Aria Patya, kumaha ĕnggeus ngadjadi, Si Purnama ditěnungna, ngawangsul Aria Patih, pĕrkawis putra Gusti, parantos pisan ditutup, di Djurung-padjarangan, kalajan disalin rupi djadi artja papaes karang panjiksan.

16. Ngalahir deui Sri Nata, ngan kunaha atuh jaji, Si Njai taja elingna, tjing atuh tambaan jaji, teu lami Arja Patih, saparantos nampi dawuh, lĕbĕt ka pagulingan, njampeurkeun ka Agan Putri, ningalian naon karĕsakanana.

17. Diragapan salirana, daging kulit hanteu busik, tulang urat hanteu ruksak, langkung heran Arja Patih, naha naon nu njĕri, nu djadi marga teu emut, da puguh taja tapak, urut pameupeuh panggitik, tapi parna hanteu beunang dilandongan.

18. Tungtungna mah Arja Patya, bawaning ku saog galih, naon pilandongeunana, ana ras kěrětěg galih, sugan-suganna djadi, tuturan adat karuhun, těras ku Arja Patya, dilengkahan tudjuh kali, saĕnggeusna ngadadak Putri teh waras.

19. Barang Sang Kaswati gugah, Sang Ratu sarĕng Meswari, pili-

[ 64 ]gĕntos ngarangkulan, ka anu kakara eling, putri Siti Kaswati, dipangkon dipunggu-punggu, nja kitu sadajana, bangsa pragarwa prijaji, bari njĕbat dunungan aing geus damang.

20. Hulu balang tingkalajang, mantri-mantri tingrarigig, satĕngah djeung kapohoan, leungit pěrtiti pamilih, bawaning bingah galih, sami pada turun kaul, Siti Kaswati waras, pranjai sami menjanji, ĕmban-ĕmban tinghaleuang tĕtĕmbangan.

21. Gantjangna ieu tjarita, hanteu lami Sri Narpati, nimbalan ka Prameswara, Kudu pindahkeun ka puri, eta Siti Kaswati, Meswari ladjěng ngawangsul, njumanggakeun ka raka, sarta harita teu lami, tĕras ngalih ka puri ti kaputrian.

22. Diiring ku sadajana, para paměgět praistri, gurilap padjěng gilapna, geus sumping ka pantjaniti, putri Siti Kaswati, tĕtĕp lĕnggah di kadatun, sarta mangsa harita, ngan kantun ririwit galih, njěri peurih ku Radjaputra Purnama.

23. Tapi teu wĕleh nĕnĕda, Sang Putri Siti Kaswati, muga aja sih Dewata, nitis tulis bagdja diri, ka nu kasep gumĕling, Pangeran Pinutra Sunu, malah Putri basana, tinimbang djeung hanteu milik, kadjeun wapat dina sadjěro napaan.

24. Nadjan dongkap ka kiamat, moal wěleh mudjasmedi, bawaning hojong laksana, ramana nja kitu deui, tina bawaning watir, ka Putri anu keur ngangluh, sarta nguwung běnduna, taja kěndatna samĕnit, ĕnja eta ka Sang Pangeran Pinutra.

25. Sarta teu lami Sri Nata, ngalahir ka Arja Patih, wantu masih běrhimpunan, eh jaji Aria Patih, kakang teh leuwih-leuwih, nja nandangan napsu nguwung, ka si Purnama Alam, estu abong-abong teuing, deungeun-deungeun nganjěnjěri ngawiwirang.

26. Teu beunang dipibaraja, nampik hanteu djeung pamilih, milampah kaja nu owah, ngaruksak ka Nji Kaswati, meh-mehan bae mati, lamun teu dirubung-rubung, ku duʻa djeung panumbal, tatapina ati-ati, maksud kakang moal arek kumapalang.

27. Sabab si Purnama Alam, tinangtu moal sak deui, pangna wani kitu lampah, wudjuk bapana pinasti, tina sabab mustahil, si Purnama teu ngagugu, mun dipapatahan mah, kudu purun ka Kaswati, da ku mohal anak teu nurut ka bapa.

28. Ku sabab eta ajeuna, kahajang kakang nu jakin, bapana montong kapalang, nja urang bandang sakali, basmi nagrina lindih, poe isuk Patih kudu, ngondang para dipatya, bawahan urang pribadi, urang bawa ngabědah nagri Riskomar. [ 65 ]29. Teu lami Aria Kumba, ngawangsulan ka Sang Adji, abdi Gusti tumut pisan, kana sadaja panglahir, kalajan abdi Gusti, lintang rebu-rebu nuhun, Gusti aja kĕrĕsa, nĕmpuh Riskomar nagari, manawina kabandang djadi pangkonan.

30. Kalajan ku kalamian, mĕnggah diri abdi Gusti, hĕnteu měndak pĕpĕrangan, lĕlĕson tandingan djurit, ku kĕsĕl abdi Gusti, tutur tarung saban waktu, tuman pĕrang galungan, ajeuna parantos lami, titingkueun lir hajam ditjalongtjongan.

31. Ngalahir deui Sri Nata, ka Raden Aria Patih, bĕnĕr pisan Arja Patya, kakang ge nja kitu deui, ngan ajeuna mah gasik, ngondangan ka para ratu, pilihan nu utama, nu sok unggul dina djurit, djeung nu sikĕp dina tandang danalaga.

Dangdanggula

l. Saparantos Sang Ratu wawarti, Arja Patih djeung mantri sadaja, sami wangsul ti karaton, gantjangna nu ditjatur, tunda Ratu Ambarak nagri, nu keur ngantos ondangan, pikeun pěrang pupuh, malikan deui tjarita, di Riskomar waktu wěngian dipaling, Sang Pangeran Purnama.

2. Putri Rĕsi langkung kaget galih, salungsurna Sang Radja Pinutra, manah Putri tingseredet, djeung bajeungjang kalangkung, sasauran lĕbĕting galih, ieu kawas alamat, kana geusan ewuh, nadah raga pantja baja, reudjeung naha raka Pangeran bĕt lami, tatjan sumping ti djamban.

3. Di Diitungna bĕt tilu djam leuwih, na ka mana tumĕras djĕngkarna, ngalolos hanteu njarios, manahna Putri kitu, sarta ladjĕng lungsur ti bumi, kěrsana Sang Kania, njusul Putra Sunu, kana djamban tĕmpat siram, tatapina salirana Putri Rĕsi, rasa pupuringkakan.

4. Tapi maksa kaluar ti bumi, sarta tuluj angkatna ka djamban, njalira teu njandak gandek, barang sumping kalangkung, nandang heran Putri Pramanik, wireh Pangeran Putra, di djambanna suwung, ngan aja sabun andukna, sarta sidik hanteu aja pisan tjiri, tapakna urut siram.

5. Putri njaur salĕbĕting galih, aeh-aeh ka mana tĕrasna, umangkat hanteu njarios, tapi Putri teu gĕruh, marukanna tĕras pělĕsir, atawa ka pamĕngkang, Sang Pangeran Sunu, teu lami Dewi Kania, mulih deui ti djamban lĕbĕt ka bumi, ngan manah nu tjangtjaja.

6. Linggih deui dina pramedani, hanteu kulĕm ngantosan Pinutra, sugan sumping tereh-tereh, teu lami bĕdug subuh, Radjaputra masih [ 66 ]teu sumping, heran Dewi Kania, manah dugděg ratug, barang harita geus siang, pukul tudjuh masih keneh tatjan sumping, Radjaputra Purnama.

7. Hanteu lami Sang Putri Pramanik, ladjěng njaur ka sadaja rentjang, saeusi kaputran bae, di bumi sina kumpul, sarta hěnteu lami ngalahir, dibarung djeung rumenghap, bawaning ku ewuh, tjoba saha anu těrang, waktu lungsur Pangeran Putra ka tjai, kěrsana bade siram.

8. Lamun aja anu mararanggih, tjing ka mana pitěraseunana, kami mah bět leuwih helok, angkat ka mana atuh, anu matak teu sumping-sumping, ti waktu bada, isa, Djěng Pangeran Sunu, ti peuting waktu lungsurna, tapi něpi ka ajeuna hanteu sumping, da maranan mah mohal.

9. Sadajana ěmban-ěmban sami, ngawangsulan ka Dewi Kania, undjukan teu těrang bae, Dewi Kania wuwuh, nandang heran kawanti-wanti, dumugi humandeuar, lah ka mana atuh, ku tara ti sasarina, untjlang-antjlong taja pedah damel kuli, Sang Pangeran Pinutra.

10. Ngan ajeuna haju anteur kami, urang njusul Pangeran Pinutra, sugan angkat ka karaton, gantjangna nu ditjatur, hanteu lami Putri Pramanik, djung djěngkar ti kaputran, angkat gura-giru, anu ngiring dua ěmban, djuru sěkar ngaran Nji Rata Nji Rati, gandek pangkadeuheusna. 

11. Katjaturkeun geus sumping ka puri, njondong Ratu sarěng Prameswara, di songko pungkur karaton, katingali ku Ratu, ladjěng njaur ka Njai Dewi, njambat ngahiap-hiap, ka Sang Dewi mantu, Putri Pramanik tuměras, ngadeuheusan di pajuneun Kangdjěng Gusti, mando langkung adjrihna.

12. Kangdjěng Ratu teu lami ngalahir, karěp naon Njai teh nu matak, datang rusuh isuk keneh, naon nu djadi pěrlu, djeung pasěmon nu susah ati, tjoba geura bebedja, ka ama sing puguh, ngawangsul Dewi Kania, abdi Dalěm margi ngadeuheus sajakti, maksad bade undjukan.

13. Tina margi abdi Dalěm kenging, kaewuhan anu sakalintang, ku putra Dalěm Sang Anom, Pangeran Putra Sunu, wireh awit wěngian tadi, kintěn tabuh dalapan, kěrěsana lungsur, bade siram dina djamban, hanteu aja abdi-abdi anu ngiring, dina wangkid lungsurna.

14. Mung dumugi ka ajeuna jakti, putra Dalěm Pangeran Purnama, ka bumi teu sumpingbae, abdi Dalěm kalangkung, kaewuhan margi teu sumping, duka Gusti ka mana, ku teu aja saur, margi abdi Dalěm enggal, endjing² dumuheus ka dampal Gusti, ngundjukkeun Sang Pinutra.

15. Sri Narpati teu lami ngalahir, ka Sang Dewi euweuh ka dieu mah, malah ti kamari oge, tjing sugan di Panghulu, atawana di Arja Patih, rek ngadon tjatjarita, mupakat hal elmu, tjoba nitah gulang-gulang, [ 67 ]sina susul ulah waka gĕder ati, babarian ngalimba.

16. Hanteu lami Sri Maha Narpati, ngadawuhan ka hidji ponggawa, nu nudju tugur karaton, neangan Putra Sunu, kana saban bumi prijaji, ka kaum kapatihan, tapi teu katimu, hanteu lila gulang-gulang, dongkap deui piundjuk ka Kangdjĕng Gusti, Radjaputra teu aja.

17. Dipilari di sadaja sĕpi, Kangdjĕng Ratu nĕmbe gĕder manah, ewuh ku Pinutra Anom, sarta teu lami Ratu, miwarangan ħjaur Papatih, gantjang nu ditjarita, hanteu lami djĕbul, Arja Patih ka pamĕngkang, ngadeuheusan ka pajuneun Sri Narpati, Ratu ladjĕng ngandika.

18. Kieu adi Aria Papatih, anu matak diala ku kakang, sabab kakang manggih kaget, Nji Kania piundjuk, Ki Purnama tadi ti peuting, kira pukul dalapan, ti imahna turun, basana ka Nji Kania, Ki Purnama rek ka tjai maksud mandi, di bak karang kaputran.

19. Tatapina nĕpi ka kiwari, Ki Purnama hanteu datang-datang, gandekna taja nu njaho, ku tina sabab kitu, tjing teangan ku kabeh, mantri, ponggawa sanagara, bisina kasarung, karuntjang rantjana setan, Raden Patih langkung-langung kaget galih, nguping dawuhan Radja.

20. Ngadawuhkeun Sang Pinutra sĕpi, ti kaputran lolos tanpa krana, Aria Patih ngadjĕngok, bawaning kaget kalbu, hanteu lami pamit ka Gusti, njĕmbah sarta djung djêngkar, gudag-gidig rusuh, ka paseban kapatihan, sasumpingna njaur sadaja prijaji, eusi kota Riskomar.

21. Djagasatru sarta para mantri, gulang-gulang reudjeung upatjara, ngaberĕs sami marando, didawuhan jen kudu, kana ngiděr sadjĕro nagri, neangan Radjaputra, masingna katimu, rahrah sadjĕro nagara, sadajana njĕmbah pamit ka Papatih, gantjang pada barudal.

22. Ti paseban sami masing-masing, nu sawareh ka kulon ka wetan, anu ka kidul ka kaler, diasruk saban lĕmbur, imah-imah anu utami, sakur nu aja randa, djeung parawan alus, didjorag diarasupan, nu sawareh anu ka losmen ka kongsi, dirahrah teu kaliwat.

23. Tatapina wĕleh teu kapanggih, poe eta teu eureun neangan, ponggawa-ponggawa kabeh, tungtungna mah nja gujur, lain wungkul bangsa prijaji, anu narareangan, Sang Pangeran Sunu, sadjĕro kota Riskomar, geus ubiag tagiwur praabdi-abdi, jen leungit Radjaputra.

24. Kangdjĕng Gusti Sri Maha Narpati, langkung-langkung tunggara manahna, mungguh Meswari mah komo, geus tjara nu teu emut, djĕrat-djěrit teu kĕndat nangis, sasambat lolongseran, di djěro kadatun, ampir-ampir karantjana, kana tega nĕlasan andjeun ku kĕris, lamun hanteu didjaga.

25. Ngan Djĕng Ratu bubuhan pěrjogi, ngagĕm rukun raga kara[ 68 ]djaan, ngan ukur lungsena bae, teu keuna linglung kalbu, hanteu lami njaur ka Patih, ajeuna geus pěrtela, di nagara suwung, tjoba-tjoba ku Ki Arja, rahrah bae ka gunung těgalan pasir, ku sakabeh wadia.

26. Bisi bae kairid ku djurig, atawana diruksak ku matjan, atawa dirawu kelong, kěrid sanagri kudu, sakur-sakur djalma lalaki, sina narareangan, asruk těgal gunung, teu lami Raden Aria, ladjěng njěmbah njumanggakeun ka Djěng Gusti, sarta tuměras djěngkar.

27. Sarta těras Raden Arja Patih, miwarangan ngadaměl tangara, nitirkeun kohkol djeung běnde, jen mundut ditarulung, ku sakabeh praabdi-abdi, neangan Sang Pinutra, dawuhan Djěng Ratu, gantjangna nu ditjarita, geus ubiag budal teu aja nu kari, kana leuweung těgalan.

28. Sumawonna sipating lalaki, awewe ge sami andon suka, neangan Pangeran Anom, ka těgalan ka gunung, tapi wěleh hanteu kapanggih, nu lěgok dilongokan, gunung dikurubut, lěbak-lěbak dikotektak, mun palika saban walungan diroris, bok palid wiwahana.

29. Kira-kira lamina ngilari, tudjuh poe teu aja eureunna, warěleh sampe talete, samalah Kangdjěng Ratu, geus njěratan ka saban nagri, bawahan parentahna, jen leungit Sang Sunu, walěran ti sadajana, hanteu aja saban nagri dipilari, Radjaputra Purnama.

30. Kangdjěng Ratu sarěng Prameswari, beuki lami langkung ngangluh manah, tungtungna leungit kadjaten, rukun agêman Ratu, kawisaja rantjana galih, mědal ka pangandika, djadi mawur saur, di puri sarěng Meswara, dideuheusan ku Patih Gundarapati, Ratu ladjěng ngandika.

31. Lah kumaha pětana Ki Patih, Ki Purnama datang ka musnana, estu leuwih matak helok, ari ras ku Ki Sunu, kawas-kawas aja nu maling, sabab mohal katjida, leungit teu pupuguh, ngan maksud kakang ajeuna, kadjeun mati tinimbang, hanteu kapanggih, rek diiděr sadunja.

32. Saban nagri diasupan pasti, ngan kakang mah mihape nagara, wakilan ku Patih bae, samemeh kakang tjunduk, Arja Patih Gundarapati, njěmbah djeung ngawangsulan, ka Sri Maha Ratu, abdi Gusti pun Aria, nampi lahir pangěrěsa dampal Gusti, bade nilar nagara.

33. Bade djěngkar kěrěsa ngilari, djadjah-djadjah sabuana dunja, mung raos abdi Gusti teh, rebu-rebu panuhun, mugi emut tjatjandran jakti, měnggahing kanarpatyan, teu sae kalangkung, lolos tumilir nagara, hanteu nolih katarik rantjana galih, kalintang marga hina.

34. Margi eta raos abdi Gusti, Dampal Gusti sae oge lĕnggah, abdi Gusti bae mios, njusul pinutra Sunu, maksad lĕbĕt ka saban nagri, sawĕngkon alam dunja, Kangdjĕng Radja njaur, sarta nangis tjumalimba, nja teu naon nadjan Patih ge pribadi, indit njusul si udjang. [ 69 ]1. Aria Gundarapati, ngawangsul ka Sang Sri Nata, panuhun abdi Gusti teh, pĕrkawis ngilari putra, moal sasih ajeuna, marga abdi Gusti estu, gaduh pamaksudan heula.

2. Samemeh mios ngilari, sumĕdja pupudja heula, ka bangsa nu aheng-aheng, tataros aja tajana, Sang Pangeran Pinutra, supados gampil ngadjugdjug, patĕmpatan Sang Pinutra.

3. Saur Ratu bĕnĕr Patih, malah kakang ngabarĕngan, mudjasmedi mĕlĕng hate, něněda ka Nu Kawasa, anu murba wisesa, suganna gampang tinĕmu, sidikna Purnama Alam.

4. Sanggeus tutup gunĕm warti, Patih pamitan ka Radja, ladiĕng mulih ti karaton, kantun Sang Maha Narpatya, sarĕng Parameswara sasauran hal kaewuh, Pinutra nu dipitjangtjam.

5. Ratu teu lami ngalahir, ka rai Parasmewara, tjoba pikir sing kahartos, estu teu salah ti sangka, tina tjarita ĕngkang, alamat meunang pakewuh, djalanan Purnama Alam.

6. Tina sabab boga rabi, ka lain tĕrah sasama, watĕk sangar burĕt hate, ajeuna ĕnggeus karasa, jen kieu balukarna, watĕkna Kania tangtu, mamawa ka sarerea.

7. Bareto ĕngkang teh geuning, njěbut leuwih hanteu doa, Purnama ka Kania teh, njata sieun dikieuna, sumawon kaera mah, ku sasama bangsa Ratu, boga minantu ka somah,

8. Ngan pikir ĕngkang pribadi, mungguhing ka Nji Kania, arek ditěmpuhkeun bae, djurungkeun sina neangan, ĕntong aja di nagara aja ge teu puguh-puguh, da taja Purnama Alam.

9. Karudjit-rudjit nagari, diajaan anu sangar, matak njata bae, tjilaka ka sarerea, nu matak ajeuna mah, urang tundung sina njingkur, parabkeun ka sato galak.

10. Meswari nangis ngalahir, duh ĕngkang mĕnggah eta mah, nja kumaha kĕrsa bae, nadjan abdi ngahalangan, estu moal tiasa, Kangdjêng Ratu deui njaur, balikanan Njai njaram.

11. Moal digugu teh teuing, karana sanadjan aja; di dieu Nji Kania teh, matak bae tambah-tambah, kanjěri nja pikiran, sabab manehna nu puguh, wirasatna kana sangar.

12. Tjoba geura pikir lantip, mun purun ka Kaswati mah, Purnama [ 70 ]Alam bareto, lamun njorang pantjabaja, anu kieu rasana, tangtu dibantuan bingung, ku Ratu Putiasukma.

13. Ajeuna mah biheung teuing, kana njoreang ka urang, boa muas-muas bae, Parabu Putiasukma, jen urang njorang bahja, nu matak ajeuna kudu, urang tundung Nji Kania.

14. Ladjĕng djĕngkar Sang Narpati, diiring ku gulang-gulang, angkatna wĕngi mopoek, bade ka karang kaputraan, kotjap Dewi Kania, ti barang leungit Sang Sunu, teu kĕndat nangis sasambat.

15. Mun lain djatining istri, tědak bangsa kadewian, geus njangking hate nu saleh, tĕrkadang tega ka raga, goda rantjana manah, njurung napsu lampus umur, nêlasan andjen ku gobang.

16. Ari mungguhing Sang Dewi, ngan sadrah ka Nu Kawasa, nu kagungan alam kabeh, tatapina hěnteu kěndat, pupuja lĕbĕt manah, nunuhun Anu Agung, tapakur di kadjuaran.

17. Sarta hanteu bidjil-bidjil, tuang leueut oge nunda, sumeuseuh ipuh djadjaten, ku margi emutanana, suganna pangna bahja, kasiku ku murka laku, papisah reudjeung pěrtimah.

18. Reudjeung kadua pěrkawis, mudjasmedina Kania, něda těrbukaning hate, pitulung Jang Maha Sukma, nuduhan patěmpatan, ajana Pangeran Sunu, lara atawana mulja.

19. Kitu galih Njai Dewi, nu dianggo pěrmuhunan, ka Gusti Jang Maha Manon, teu aja pisan towongna, saban wengi djeung siang, saleungit Pinutra Sunu, teu ingkah ti pagulingan.

20. Katjatur Sang Sri Narpati, barang sumping ka kaputran, lumĕbĕt ka bumi bae, ngadĕg teu kěrěsa lĕnggah, di lawang pagulingan, njondong mantu keur tapakur, Putri Pramanik katjida.

21. Gugup ningal Ratu sumping, tina pangsalatan njingkah, isin ku Sang Maha Katong, djeung wuwuh mĕdal tjisotja, tina raos kagugat, nambahan liwung mangpaung, disumpingan ku Djĕng Radja.

22. Geus hanteu jasa ngalirik, tungkul murubut tjisotja, ladjěng ngandika Sang Katong, ka Njai Dewi Kania, sarta langkung pusingna, lir lain titi ka mantu, eh montong tjeurik Kania.

23. Da bongan sia pribadi, nu sisit wirasat sangar, sumered kana tjotjogeh, raga matak pantjabaja, hanteu bisa ngadjaga, kawas lain anak wiku, bĕt narik kana tjilaka.

24. Djeung deui ajeuna aing, nu matak ka dieu datang, lain rek ngahĕmo-hĕmo, aing rek muka subaja, ajeuna teh ka sia, geuning waktu anjar tjunduk, sia reudjeung Ki Purnama.

25. Aing teh aja pamĕrdih, pasal nu tilu pĕrkara, sageuj teuing sia [ 71 ]poho, jen kudu bisa ngadjaga, malar kasalamĕtan, ka diri aing nu estu, djeung nagri sarta eusina.

26. Tatapi naha bĕt djalir, sanggup sia bakal bisa, ahir ajeuna katangen, meunang bahja kasukĕran, nu taja papadana, ana kitu sia asup, tjidra ka nu djadi Radja.

27. Ka nu sedjen komo teuing, moal bisana ngadjaga, tjatjak ka salaki oge, nu hanteu aja anggangna, saban peuting djeung beurang, bĕt geuning sia kalangsu, teu njaho loslosanana.

28. Ngan ajeuna sia misti, ku sabab geus lampah tjidra, ka nu kasĕbut Narpatos, peuting ieu kudu njingkah, tong aja di nagara, tjitjing oge teu pĕrlu, da taja salaki sia.

29. Aing hanteu sudi teuing, diajaan anu sangar, matak njilakakeun bae, kana saeusi nagara, baruntak pěrwatěkna, kusut rusuh djeung pagĕbug, moal aja kaberesan.

30. Ajeuna sia geura djig, njingkah ti ieu nagara, hajoh indit tong talangke, Dewi Kania kalintang, nandang kiamat manah, nampi panundung Djěng Ratu, sarta njeuseul seseepan.

31. Kania meh hanteu eling, bawaning ku kareuwasan, kasima dugi ngadegdeg, ningal ka paroman Radja, dugi geuneuk rarajna, gěgědjlig bawaning bêndu, ka mantu Dewi Kania.

32. Wantu-wantu tědak istri, gampang gĕtapan reuwasan, katurug-turug djeung nĕmbe, měndakan dikasukěran, Sang Putri Gurangsarak, langkung tunggarana kalbu, surĕm sabuana alam.

33. Ĕnggeus hanteu nangis deui, bawanning surĕm pangrasa, nja djadi leungit djadjaten, ampir hanteu jasa obah, lamun hanteu dipaksa, dihajoh-hajoh ku Ratu, geura djor sia Kania.

34. Dewi Kania teu lami, njěmbah ti pajuneun Radja, rampohpoj kalangkung lungse, mehmeh hanteu jasa tjĕngkat, bidjil ti pagulingan, Ratu nendjrag sarta njaur, djor sia Ka mana njingkah.

35. Tĕras lungsur Njai Dewi, sarta hanteu barangtjandak, bangsa sipating panganggo, kadjaba njandak salêmpaj, panadahna tjisotja, nurasdjati tikêl balung, eta mah taja kantunna.

36. Sang Dewi lungsur ti bumi, poek mongkleng butarata, pukul sapuluh teu geseh, teu njandak rentjang saurang, wantu taja nu tĕrang, lamun ĕmban para babu, njaraho tangtu ngiringna. [ 72 ]1. Kangdjĕng Ratu ka mantri djeung djaga satru, ngalahir bĕrĕngos pusing, dina poe isuk kudu, embarkeun ka abdi-abdi, nakol běnde mere njaho.

2. Saha-saha djalma anu kumawantun, ponggawa atawa lain, ngampihan Kania tangtu, dibere hukuman aing, dibuang atawa potong.

3. Sadajana para mantri djaga satru, njumanggakeun ka 'Djěng Gusti, gantjangna anu ditjatur, hanteu lami Ratu mulih, ti kaputran ka karaton.

4. Tunda Ratu Dewi Kania katjatur, saĕnggeus lungsur ti bumi, nangis hanteu suwung-suwung, manahna ka mana njingkir, njumputan Maha Narpatos.

5. Angkat alon ngaliwat ka alun-alun, nudju hudjan rintjik-rintjik, bulan tanggal tudjuh likur, atuh poek buta radjin, mehmehan tidadalagor.

6. Taja djalma těrang ka Sang Pułri Wiku, wantu-wantu ĕnggeus peuting, gantjangna anu ditjatur, geus ka luar ti djro nagri; djalan nu nudju ka kulon.

7. Turug-turug sasab djalan wantu linglung, kana djalan njukang pasir, rondaan ka saban gunung, nu dianggo ku Sang Dewi, unggah turun langkung repot.

8. Sawěwěngi ngeureujeuh tur angkat laun, teu pisan liren sakali, harita geus isuk-isuk, sarta geus djauh ti nagri, kira lalakon tilu pos.

9. Beuki djauh Dewi Kania lumaku, angkat hanteu djeung pamilih, teu puguh anu didjugdjug, mapaj lĕbak mipir pasir, norobos ka leuweung ganggong.

10. Bari nangis sasambat teu suwung-suwung, ka Radja putra nu leungit, duh aduh Pangeran Sunu, naha bĕt gamparan lali, ka diri abdi pribados.

11. Naon dosa abdi teh margi dikantun, ditilar sina ririwit, sina linglung ku kabingung, paeh asal djuwĕt ati, gamparan bĕt abong-abong.

12. Atuh abdi katěmpuhan ku 'Djěng Ratu, ditundung ti djěro nagri, disěbat wirasat kusut, sisit sok narik balai, njangarkeun kana karaton.

13. Amung abdi moal pisan buntu laku, babakti satia ati, pikir sumudjud satuhu, ti lahir dumugi batin, ka lĕnggah gamparan jaktos.

14. Pikir abdi kadjeun dugi seep umur, tinimbang teu tĕpang deui, [ 73 ]nadjan di pandjang umur, ririwit moal walagri, těrkadang owah pangraos.

15. Eta kitu sasambatna putri wiku, sarta hanteu eureun nangis, dumugi ka luhur gunung, katĕlah gunung Sarinding, kana madhab papat plungplong.

16. Kira-kira Putri geus aja saminggu, ti barang djĕngkar ti nagri, hanteu pisan mĕndak sangu, tapi teu djadi salatri, tina kĕbĕk ku prihatos.

17. Ditekadkeun kana tatapa tapakur, sumeuseuh njipuh djasmani, sapun rarambu kalbu, pasangaran sanubari, nu narik geusan prihatos.

18. Ladjêng bae liren dina luhur gunung, tjalikna handapeun kai, iuh wantu ngarunggunuk, ngaran kai Ragawati, Putri linggih majun ngulon.

19. Waktu eta lohor kira pukul satu, panas poe mĕntang-mĕntring, lenglang teu aja halimun, kaler-kidul katingali, ngĕmplong ka wetan-ka kulon.

20. Njai Dewi ngiuhan handapeun kaju, tjalik wantu bararĕsih, djukut kakawatan wungkul, angin lĕlĕr ngahiliwir, mepes manah nu prihatos.

21. Tatapina hanteu pisan surud-surud, murubut tjisotja bidjil, teu katadah ku panjusut, ampir teu jasa ningali, kana sugrining kakajon.

22. Ngan hadena kasurung ku tĕrah wiku, didjaring ku pudji dikir, malar sukĕr djadi sukur, narima papasten diri, pasihan Gusti Jang Manon.

₴₴

Dangdanggula

1. Njai Dewi di gunung Sarinding, lami pisan ngalangeu damĕlna, waspada ka wetan-kulon, ka kaler djeung ka kidul, warna-warna nu katingali, nu tumuwuh-di dinja, matak kĕlar kalbu, sarta sakur-sato aja, sĕmu sami ngiring prihatin ka putri, tjara tata manusa.

2. Kaak kerak mĕrak lir tjareurik, heulang djulang kalong ngalanglangan, geuri-geuri tinggarĕro, maung bati ngahiung, kuwiwi mah bati ngawiwiw, sagala ngiring lara, ka Sang Putri Wiku, djeung pada bidjil alpukah, sato-sato bĕrhala gunung Sarinding, bumela ka nu lara.

3. Njai Dewi njaur lĕbĕt galih, na ka mana aing geusan lunta, pikeun njalajakeun hate, kana djalan tinĕmu, djeung kasirnan rasaning diri, pukah reudjeung kasusah, tapi aing linglung, taja djalan baris-leumpang, sakuriling luwang-liwung leuweung rumbit, huma ge hĕnteu aja. [ 74 ]4. Tapi aing hade nindih pati, kabalangsak rukak njaksrak alas, neangan Pangeran Anom, sugan bae dikabul, ku kěrsana Jang Maha Sutji, lantaran leuleuweungan, tĕpang djeung Sang Sunu, tapi aing memeh lunta, rek ja njęuseuh rěrěgěd nja diri, ngumbah pamurka rasa.

5. Teu katjatur lamina Sang Dewi, mudjasmedi ka Jang Maha Sukma, tigin bawaning ku antek, makbul anu dimaksud, katurunan wahjuning Dewi, soara tan katingal, ka Nji Putri Wiku, eh Njai Dewi Kania, montong djadi ririwit njungkělit ati, ku dumeh kitu kadar.

6. Ajeuna mah pilampaheun Njai, ulah pisan arek salah lunta, ti dieu teh kudu ngulon, sarta ĕngke di pajun, lamun diri Njai geus nĕpi, ka hidji pagunungan, anu ĕnggeus mashur, gunung Binarum ngaranna, di puntjakna aja hidji masdjid leutik, kudu eureun di dinja.

7. Balukarna ku Njai pinasti, kana manggih têrbuka waluja, djalanan pukah prihatos, ajeuna buru-buru, didoakeun masing walagri, salamĕt sadjadjalan, sarta makbul maksud, barang Sang Dewi Kania, ngadangukeun sarta pĕrtela panglahir, kaget lĕbĕting manah.

8. Rurut-reret neangan nu bukti, sora naon djalma naha setan, mituduh ngomong nongtoreng, sarta teu lami njaur, kula nuhun nampi pangasih, pěrtuduhan andika, djalanan rahaju, tapi kula rada hamham, tina marga teu puguh nu boga lahir, sabab mohal, Allah mah.

9. Mugi aja raraga nu bukti, supajana kula djadi těrang, di sipat andika jaktos, barang Putri geus njaur, eta sora gorowok deui, pokna eh Nji Kania, montong aja maksud, hajang njaho di djirimna, sabab ieu tangkal kai Ragawati, anu boga soara.

10. Njai Dewi pok deui ngalahir, aeh-aeh kula nĕmbe měndak, aja kai bisa ngomong, na kai naon atuh, anu matak bisa wawarti, lir lain samanea, bangsa kaju-kaju, tjitjiptan asal manusa, Ragawati saĕnggeus Putri ngalahir, tĕrus deui njarita.

11. Ih Kania lamun hanteu harti, Ragawati kaju tjitjiptaan, tětěs raraga Narpatos, ngan Njai hanteu kudu, tĕtĕs tĕrang ka Ragawati, ĕngke ge ka hareupna, ku Njai kamaphum, tina sabab tangtu pisan, dina ahir kabukti sarta kapanggih, pasal ieu pĕrkara.

12. Ngan, ajeuna Njai gasik-gasik, djugdjug gunung Binarum ulah lat, wajahna sanadjan tjape, barang Nji Putri Wiku, nampi saur ti Ragawati, ngahulĕng sadjongdjongan, hanteu pisan njaur, tina kaanehanana, bakal aja balukarna eta kai, sabab kitu basana.

13. Njai Dewi njaur lěbět galih, hajang njaho arek dilampahan, sugan-sugan ĕnja bae, tuduh geusan rahaju, nadjan kai ari pěrjogi, beda [ 75 ]tina adatna, ti sakabeh kaju, bisa ngomong tjara djalma, matak naon diturut sarta dipusti, saparentahanana.

14. Hanteu lami Sang Putri Pramanik, kana Ragawati seug pamitan, sarta basana digĕntos, njĕbatna ama kaju, atuh puntĕn ama sim kuring, bade mios ajeuna, ka gunung Binarum, njuhunkeun pandunga ama, mugi-mugi wiludjêng walagri diri, laksana nja panĕda.

15. Walon kai nja geura los Njai, didungakeun ku ama ajeuna, salamĕt makbul kahojong, teu lami Putri Wiku, saparantos andjeunna pamit, ti dinja ladjĕng djĕngkar, kulon nu didjugdjug, ťi gunung Sarinding tea, lalampahan norobos di leuweung rumbit, ku sabab taja djalan.

16. Kira-kira geus aja sasasih, Putri Wiku angkat leuleuweungan, sartana njalira bae, njaur djĕroning kalbu, aeh-aeh bĕt djauh geuning, sakieu geus lilana, tatjan keneh tjunduk, reudjeung anu mana tea, nu katĕlah gunung Binarum masigit, palangsiang kaliwat.

17. Njaur kitu barina ningali, tjĕpĕt ngulon Sang Dewi Kania, bari ngaděg sarta liren, di puntjak hidji gunung, hanteu lami waspada Putri rĕmĕng-rĕmĕng katingal, tina sabab djauh, wantu rada halimunan, aja gunung luhur sartana bulistir, siga taja kaian.

18. Di puntjakna sidik katingali, lenggang-lenggang kawas situhiang, djeung aja tjahaja objor, ngagĕbur kaja lajung, sarta aja bandera putih, Sang Putri sasauran, dina djĕro kalbu, euleuh-euleuh boa eta, ngaran gunung Binarum pituduh kai, rek didjugdjug ajeuna.

19. Sanggeus njaur Sang Putri Pramanik, ladjěng deui angkat rek ka dinja, barina sĕmu nu atoh, gantjangna nu ditjatur, Putri Rĕsi ka dinja sumping, nandjak kana puntjakna, teu aja karipuh, tjara angkat di nu datar, barang gok teh kana puntjak gunung sidik, masigit leutik aja.

20. Langkung kaget manahna Sang Putri, ningal masdjid teu kira endahna, lain ti asal kakajon, tihangna perak wungkul, tatapakan kabeh ku angkik, djeung bilikna suasa, kĕnteng gědah wungu, pěpěntul pataka ĕmas, djeung ditabur ku sosotja tingkarĕtip, mutiara běrlian.

21. Sanggeus lĕbĕt Sang Putri Pramanik, luntang-lantung ningal palataran, wungkul bati matak kaget, njaur djĕroning kalbu, masa Allah na aneh teuing, naha saha nu boga, mana leuwih alus, radja atawa dewata, atawana rasêksi banaspati djin, nu boga ieu têmpat.

22. Tina sabab estuning mustahil, anu boga djalma samanea, tangtu nu gĕde djadjaten, těgěsna nu geus luhung, langgĕng ati njangking sadjati, pangkat miraga sukma, nu patut migaduh, kana ieu patĕmpatan, reudjeung aing rada oge pikir risi, aringgis* kumaonam.

[ 76 ]

Sinom

1. Ti dinja Dewi Kania, ningali kana masigit, pantona nutup teu muka, sartana barang ningali, pĕrtela aja tulis, dina saluhureun pintu, sarta tĕras diwatja, ungělna anu kadjudi, ieu masdjid ngaran Binarum Kania.

2. Sakitu eta ungĕlna, dina salĕbĕting tulis, kalangkung Dewi Kania, bĕngong tina heran galih, ku ungĕl eta tulis, sarta njaur djěro kalbu, naha ieu tulisan, make aja ngaran aing, kawas-kawas djieun djalma anu těrang.

3. Barang eukeur kitu manah, aja sora ti djro masdjid, sartana kieu basana, bagea Dewi Pramanik, ngagĕbĕg Njai Putri, ngadangu nu ngomong kitu, sarta tambah kagetna, bari njaur dina galih, tangtu sora anu boga ieu těmpat.

4. Sanggeus njaur dina manah, Dewi Kania teu lami, harita tĕras manjoan, bade lĕbĕt ka masigit, měrtelakeun nu tadi, bisi pangrungu nu palsu, bawaning ku palajna, patěpang djeung djalma deui, sieun toke saru sada sora djalma.


5. Sanggeus běrěsih manjoan, těras bae ka masigit, barang braj muka pantona, heran Sang Putri Pramanik, sabab di djêro masdjid, ditingal pĕrtela suwung, hanteu aja djalmaan, ngan aja nu ikatingali, dina djěro paimbaran pangsalatan.

6. Bĕt aja kĕkĕmbĕn dua, sarta rupa sutra putih, beunang nabur ku aksara, tĕrus ku Putri Pramanik, ditjandak ditingali, rupana kalangkung alus, sarta dina sisina, aja ngaranna ditulis, Tjakrahajat anu hidji Kantahajat.

7. Saĕnggeus ditingalian, těrus disampajkeun deui, tina risi kumaonam, sarta ku Putri Pramanik, hanteu pisan kadjudi, pangaruhna anu estu, eta karembong dua, ngan Putri ningali deui, aja tulis dina lajar paimbaran.

8. Diwatja kieu basana, Sri Narpati Ragawati, nu ngagĕm Tjakra djeung Kanta, djimat titisan prawali, sartana geus dipasti, anu diturunan wahju, ngagĕm ieu sěndjata, nu bakal katitis milik, tĕrah Ratu Pramajon Purnama Alam. `

9. Eta sakitu ungĕlna, dina salĕbĕting tulis, Putri Pramanik kalintang, kageteun djěroning galih, ngawatja eta tulis, ku sabab basana kitu, njaur [ 77 ]djĕroning manah, naha bĕt di ieu masdjid, aja ngaran aing djeung Pangeran Putra.

10. Djeung disĕbut ieu djimat, anu bakal boga milik, Sang Putra Pur“nama Alam, salaki aing pribadi, sarta teu aja deui, anu boga ngaran kitu, dina waktu ajeuna, mo aja geusan pahili, djeung disĕbut putra Pramajon tetela.

11. Ana kitu Sang Pinutra, pĕrtanda ajeuna masih, gumĕlar keneh di dunja, tina sabab aja tjiri, tjawisan ti nu gaib, baris milikna ka pajun, da lamun geus wapat mah, moal aja bangsa tjawis, tangtu buruk rombak ku lantaran wapat.

12. Djeung deui aing ajeuna, hanteu pĕrlu njingkah deui, tina ieu patĕmpatan, udar-iděr nja ngilari, Sang Pinutra nu leungit, tina sabab ĕnggeus tangtu, Radjaputra Purnama, di ahir ka dieu sumping, ngarawatan kana ieu dua djimat.

13. Sang Putri kitu manahna, nekad kana tĕras mukim, dina eta patĕmpatan, teu lami gorowok deui, sora luareun masdjid, pokna eh Pramanik ĕnung, běněr kudu antosan, ulah arek lunta deui, tina ieu těmpat Binarum Kania.

14. Eta sakitu basana, dina saluareun masdjid, nongtoreng pěrtela pisan, kalangkung Dewi Pramanik, ngarendjag leuwiih-leuwih, bawaning kaget ngadangu, sarta gantjang kaluar, ti djěro eta masigit, rek njidikkeun saha nu bieu tjarita.

15. Barang geus Putri kaluar, hantěm diulak-ilik, masigit dikurilingan, wěleh bae teu kapanggih, heran putri Pramanik, sarta teu lami seug njaur, aeh nu ngomong saha, manusa atawa ning djin, saban ngomong diteang taja buktina.

16. Tjing kula berean těrang, ku djirim, raga djasmani, ulah wungkul susumputan, sanggeus njaur kitu Putri, sora gorowok deui, ti djěro masigit njêluk, ari pokpokanana, eh Njai Dewi Pramanik, anu ngomong masdjid Binarum Kania.

17. Eta sakitu tembalna, ngan Putri mariksa deui, masigit naon andika, nu matak lir djalma badis, bĕt tiasa wawarti, tjing kaula bere maphum, kadua pĕrkarana, ngaran andika sajakti, njabit2 Kania ngaran kaula.

18. Naha andika kumaha, kawas aja asal tadi, tĕrah bangsa kamanusan, marga kagungan kakasih, sarta jasa wawarti, sanggeus Putri njaur kitu, gorowok deui sora, Njai montong aja pikir, hajang njaho asal Binarum Kania,

19. Ĕngke ge aja buktina, dina balukar di ahir, geus sumping Purnama Alam, tjaroge Njai sajakti, djeung kadua pĕrkawis, ulah rumasa dirĕbut, [ 78 ]ngaran Dewi Kania, sabab Njai mah Pramanik, anu asup dina tulis titi-mangsa.

20. Ajeuna mah montong aja, tjustjos ati ka nu lain, loba soreang kahajang, tiginkeun bae sahidji, mantĕng ka Maha Sutji, malar tereh bisa tĕpung, reudjeung Purnama Alam, anu matak ulah njingkir, lamun tatjan turun wahju kawalujan.

21. Dewi Pramanik teu kĕbat, kumawani naros deui, margi ngadangu panjaram, djeung harita tĕrus deui, Sang Dewi ka djro masdjid, sědja nurut kana saùr, jen kudu napakuran nĕda ka Gusti Jang Widi, malar enggal handjat tina baja lara.

22. Sang Dewi Pramanik těras, tuměněp di dinja linggih, ari siangna di luar, ningal sagala nu rasmi, ngadjadjah sakurilling, sadjěro těmpat Binarum, sagala kêmbang aja, tongkeng ros malati gambir, sarta beres diatur djadjaranana.

23. Di saban sisi pasělang, kěmbang aja puring, dalia tjampaka salak, lir aturan nu běrbudi, sagala nu djaradi, sakur sĕkar bangsa harum, ajaning kalangĕnan, bangsa Aria Narpati, pěrtatana beres pangaturanana.

24. Atuh Pramanik harita, rada oge hegar galih, kabebendjo ku sagala, ningali nu bangsa rasmi, kadjadjah kakurilling, di djĕro těmpat Binarum, ari dina wěngina, lĕbĕt ka djěro masigit, tata kulêm tatapa njeuseuh salira.

25. Ngan kitu bae damĕlna, saban poe saban peuting, sarta harita lamina, di dinja Dewi Pramanik, ĕnggeus aja sasasih, wiludjĕng hanteu tinĕmu, reudjeung marga tjotjoba, nu narik ka baja pati, wantu-wantu kasinglar ku kadewian.

26. Gantjangna ieu tjarita, tunda Sang Dewi Pramanik, kotjap deui di djero guha, Karang-panjiksan těmpat djin, Sang Radjaputra masih, diteundeun di kamar ratjun, Si Djurung-padjarangan, wěredjit nu leuwih matih, wantu-wantu baruang bangsa kadjinan.

27. Sumawonna bangsa djalma, nadjan wadja reudjeung beusi, mun diasupkeun ka dinja, lĕbur adjur geus pinasti, bawaning ratjun matih, tatapi Pangeran Sunu, kadar Jang Maha Sukma, teu pisan robah saeutik, salirana hênteu busik-buşik atjan.

28. Tinimbang djeung bisa teurak, matihna eta wěrědjit, ka salira Sang Purnama, anggur kabur njingkir těbih, kabeh ratjun wěrědjit, nu ka handap nu ka luhur, ti Djurung-padjarangan, hangru pahang reudjeung hanjir, leungit musna hěnteu aja anu tinggal.`

29. Ganti ku leuwih seungitna, langkung tina ros paradis, ngung[ 79 ]kulan dupa makasar, katjatur anu ngadjagi, Mantri djin ngaran Ginggi. djuru tugur eta ratjun, di Djurung-padjarangan, langkung tina paos ati, dumeh ratjun tina Padjarangan musna.

30. Gojang sirah ngusap dada, djeung ngutjap djĕroning ati, aduh-aduh ratjun ilang, lĕdis hanteu aja kari, tjilaka diri aing, tangtu kabĕndon ku Ratu, Sri Maha Saksaria, tĕrkadang ngahukum pati, daradjatna dilĕpas ti kamantrian.

31. Sanadjan aing teu meunang, lĕpasan djeung hukum pati, isinna mah tangtu pisan, ku salira Kangdjĕng Gusti, da aing geus kawarti, ti sasama mantri unggul, di djro Karang-panjiksan, hal digdjaja gagah sakti, ahir-ahir bĕt njorang ieu pĕrkara.



Asmarandana


1. Tunda heula Mantri Ginggi, nu eukeur nandangan susah, katjaturkeun Sang Narpatos, Ratu di Tolong-tĕlĕngan, anu kagungan guha, nagri di bumi ping pitu, kawantu-wantu kadjinan.

2. Ratu gagah sarta sugih, ku bangsa dunja barana, kakasihna nu kasohor, Sang Parabu Saksaria, dina djaman harita, mashur sabumi ping pitu, taja sasamana gagah.

3. Sakur-sakur nu kumělip, bangsa siluman silĕman, banaspati djin djeung onom, nu di tjai nu di darat, ka Ratu Saksaria, pada sumudjud taraluk, djadi bawah parentahna.

4. Sri Maha Ratu Saksari, kagungan sahidji putra, istri langkung geulisna teh, djĕnĕngan Ratna Suminar, putri ti prameswara, juswa tudjuh wĕlas taun, hanteu atjan tjarogean.

5. Keur geulis katambah sakti, djadi sagala panjipta, hanteu aja anu nĕgel, bangsa dipati kadjinan, sanadjan senapatya, gagahna ka Ratna Aju, di waktu djaman harita.

6. Tur langkung dipikaasih, wantu taja deui putra, dimongmong langkung diĕnod, sagala tara dipungpang, kana sakahojongna, ku kêrsa Sri Maha Ratu, Sang Putri Ratna Suminar.

7. Malah nu matak Sang Adji, kagungan Karang-panjiksan, parantina Sang Putri teh, amĕng dina saban siang, di djĕro eta guha, patamanan Bumbungümur, bandjar karang kaputrian.

8. Katjatur harita Putri, keur linggih di kaputrian, pungkureun gĕdong karaton, djeung ngadjadjar para ĕmban, sami ngadareuheusan, [ 80 ]di pajuneun Ratna Aju, praĕmban bangsa kadjinan. 

9. Putri tjalik dina korsi, ĕmas nu beunang narapang, ku sosotja anu objor, teu lami Putri ngandika, ka sadaja praĕmban, ajeuna maraneh kudu, darangdan masing sadia.

10. Kami rek ka ama Gusti, amit sědja pĕlĕsiran, maneh kudu ngiring kabeh, ka guha Karang-panjiksan, těmpat artja těnungan, kami leuwih tudjuh minggu, hanteu ngaronda ka dinja.

11. Reudjeung itung-itung kami, sambian mepes amarah, sugan djadi lipur bae, garetek ku nampa surat, ti Ratu Marajangan, wani-wani gěde napsu, ka kami wani ngalamar.

12. Hanteu nendjo kana tulis, undang-undang mere tĕrang, ka sakur para narpatos, diri kami 'mo lakian, nadjan nĕpi ka wapat, lamun teu parĕng tinĕmu, djeung bangsa nu kasampurnan.

13. “Unggul ti djadjaten kami, bisa ngagarap nja raga, Ratna Suminar kaputren, eta anu diteangan, sartana moal gagal, didjieun salaki tanngtu, ngaraton Tolong-tělěngan. 

14. Ari Si Marajang wani, wungkul datang surat lamar, teu djentre datang ku maneh, kawas nu sieun ditjoba, dina pangabisana, tapi ati-ati tangtu, dilabrak ka nagarana.

15. Tina sabab pikir kami, teu malar ka radja beunghar, teu ngarah narpati mukten, sababna di kami aja, bangsa dunja barana, da lain rek ngarah gunduk, ka ridu-ridu miara.

16. Émban-ĕmban hanteu lami, raong sami ngawangsulan, sumuhun gamparan jaktos, bĕt montong teuing kěrěsa, ka 'Djěng Ratu Marajang, tiktikan galak timburu, kawêntar ahli oleran.

17. Gumudjĕngna ge sok njěngir, wuwuh gagabah ngaludah, sasauran sok wangwengwong, gěwang-gěwong bari honghang, tjara kuda hohoang, sarĕng langkung beuki nginum, teu anggang sarĕng gupikan.

18. Putri ladjĕng njaur deui, bari bibirigidigan, ah tong pandjang dipiomong, nambahan bae katjua, ajeuna haju geuwat, kami arek ka kadatun, ngadeuheusan ka Kangdjeng Rama.

19. Gantjangna Putri teu lami, anu ngiring para ĕmban, bidjil ti karang kaputren, gadjugdjug ka padalĕman, gĕdong kanarpatian, sarĕng nudju Maha Ratu, keur lĕnggah sarĕng Meswara.

20. Barang Sang Ratu ningali, ka putri Ratna Suminar, ngandika ka dieu ĕnong, naha ku naon nu matak, tilu poe lilana, Njai hĕnteu tjunduk-tjunduk, ngadeuheus sono ka ama.

21. Kawas anu ngandung ati, lantaran katugěnahan, teu tembong pundung ka kolot, tjing ama geura bedjaan, anu djadi sababna, naha [ 81 ]boga pikir giruk, atawa aja kahajang.

22. Ratna Suminar teu lami, ngwangun ka Sang Sri Nata, mĕnggah abdi nu sajaktos, sanes pisan gaduh marga, agĕng-agĕng kahajang, mung maksad aja piundjuk, mĕnggah ka kĕrsa gamparan.

23. Wirehing parantos lami, teu pisan-pisan ngaronda, ka guha Karang-tjatjanden, ku margi eta ajeuna, manawi kawidian, ku kĕrsa gamparan estu, abdi ajeuna sumĕdja.

24. Bade kana guha tjandi, sarĕng sadaja praĕmban, ngandika Maha Narpatos, eh Njai Ratna Suminar, hĕntjig tapi tong lila, kira lilana saminggu, ulah nĕpi ka mulanan.

25. Reudjeung deui Njai misti, ulah wungkul para ĕmban, anu bakal dibawa teh, nja kudu mawa kapala, mantri djeung gulang-gulang, upatjara djagasatru, supaja kautamaan.

26. Lain sieun ku nu djulig, rek ngahina nganiaja, ngan mantĕskeun trah Narpatos, minangka wawakil ama, tina geus kapěrtjaja, patut parasna nja ngaratu, mankurat Tolongtělěngan.

27. Pek ajeuna geura indit ngaronda djĕroning guha, gantjangna nu ditjarios, Sang Putri Ratna Suminar, saĕnggeus diidinan, njěmbah ti pajuneun Ratu, djĕngkar ka Karangpanjiksan.

28. Njatjat wantu hanteu tĕbih, kira aja satĕngah pal, kana guha ti karaton, murudul anu ngiringna, pramantri gulang-gulang, upatjara djagasatru, kawantu timbalan Radja.


Kinanti

1. Hanteu lami Ratna Aju, kana lawang guha sumping, njampak nu ngadjaga lawang, ngaran Mantri Baraspati, nja eta djuru kuntjina djangkung gĕde wantuning djin.

2. Barang ret ka Ratna Aju, gek diuk bawaning isin, tungkul hanteu, wĕrat tanggah, ki Mas Mantri Baraspati, Ratna Suminar ngandika, eh paman Mantri Baraspati.

3. Montong tungkul sampe bĕngkung, anggur hajoh gasik-gasik, geura buka ieu lawang, sambian kaula amit, arek ka Karangpanjiksan, ngaronda sakabeh tjandi.

4. Mantri njĕmbah sarta tĕrus, numutkeun dawuhan Putri, muka panto lawang guha, hanteu lami ladjěng Putri, lĕbĕt ka Karangpanjiksan ti pungkur ngabrul nu ngiring. [ 82 ]5. Hanteu lami Ratna Aju, ka gědong kaputren sumping, lĕnggah di korsi kantjana, hempak sadaja nu ngiring, mantri-mantri hulubalang, marando pajuneun Putri.

6. Malah mantri djuru tugur, nu di djĕro guha tjandi, sasumping Ratna Suminar, hanteu aja anu tjitjing, muru-muru ngadeuheusan, ka pajuneun Radja Putri.

7. Wantu-wantu ratus-ratus, mantri nu tukang ngadjagi, di djěro Karangpanjiksan, kamar kampa kamar giling, kamar duruk kamar tjatjag, kamar godog kamar peuntjit.

8. Siksaan nu hanteu nurut, kana parentah Sang Adji, nja di dinja disiksana, sawareh didjieun tjandi, dipake papaes guha, kalangěnan Radja Putri.

9. Hanteu lami Ratna Aju, mariksa ka para mantri, eh paman mantri sadaja, tina sabab kula lami, ka dieu hanteu ngaronda, leuwih tina dua sasih.

10. Kula menta bedja estu, di sadjĕro dua sasih, kumaha kasalamĕtan, raong ngawangsul pramantri, aja hibaring gamparan, wiludjĕng taja tjotjobi.

11. Saur Putri atuh nuhun, pěrtanda bisa ngadjagi, teu aja kataledoran, tjĕpĕt těměn kĕkĕl ati, kana gawe kumawula, hormatan mangke di ahir.

12. Sanggeus Putri njaur kitu, ningali ka hidji mantri, djuru Djurung-padjarangan, rupana ku sedjen budi, pias sĕmu nandang susah, djalanan njorang balahi.

13. Djeung hanteu ngiring piundjuk, ka kĕrsa Sang Radja Putri, kalangkung Ratna Suminar, kaget salĕbĕting galih, geus tangtu aja sababna, nu bakal njusahkeun ati.

14. Kitu manah Ratna Aju, sarta teu lami ngalahir, ka Ki Mantri Padjarangan, saurna eh paman Mantri, ku naon eta paroman, pias kawas rupa gĕring.

15. Reudjeung hanteu tjara batur, pada gĕrah bungah ati, didatangan ku kaula, djeung pada bidjil wawarti, piundjuk kasalamĕtan, ari paman wungkul tjitjing.

16. Budi-budi patut kusut, kitjeup tjarang bangun gĕring, rupa kĕsat lir ngamadat, geseh ti adat sasari, tjing paman naon sababna, bedjakeun ka kula misti.

17. Njĕmbah Mantri seug piundjuk, ka eta Sang Radja Putri, djisim abdi sajaktosna, gaduh kaewêdan leuwih, nu bakal balukar bahja, kana diri djisim abdi.

18. Tangtos kenging hukum gantung, ku kĕrsa gamparan pasti, dupi [ 83 ]anu djadi marga, wirehing tjangkingan abdi, eusi Djurung-padjarangan. Kara baruang ratjun wĕrĕdjit.

19. Sadajana budal kabur, lĕdis hitik aja kari, tina Djurung-padjarangan, ku marga eta sim abdi, mung hatur sadaja-daja, buang-anggang gantung tinggi.

20. Mariksa deui Ratnaju, sarta langkung kaget galih, sugan ku naon asalna, da tangtu mohal teh teuing, njingkahna tanpa karana, tangtu pisan aja margi.

21. Ki Mantri Ginggi ngawangsul, bawi raos djisim abdi, nu djadi barakah sangar, ka kamar tĕmpat wĕrĕdjit, katinggang ku darigama, katindih ku kari-kari.

22. Abdi nampi ti 'Djĕng Ratu, sarupi artja sahidji, siksaeun di Padjarangan, nu hanteu nurut ka Gusti, Sri Maha Putiasukma, Ratu Ambarak nagari.

23. Wastana anu saestu, eta artja nu katampi, wartosna Purnama Alam, putra Sang Riskomar nagri, dupi margina disiksa, ku Sang Putia Sukmadji.

24. Teu purun dianggo mantu, anggur tega kana pati, eta Sang Purnama Alam, kitu wartosna nu sidik, ti Aria Patih Kumba, nalika nitipkeun tadi.

25. Atuh ku sim abdi tĕrus, didaměl parab wĕrĕdjit, amung hĕnteu jasa teurak, wěrědjit anggur njalingkir, artja Sang Purnama Alam, dĕngdĕng hanteu busik-busik.

Dangdanggula

l. Marga eta měnggah diri abdi, taja sanes mung sadaja-daja, ngiringan gamparan bae, dibuang djeung dibunuh, sadrah pisan diri sim abdi, margi karumaosan, kalampud ku luput, awit tina kabodoan, Radja putri ngalahir ka Mantri Ginggi, kula kakara tĕrang.

2. Na iraha Putiaksumadji, ngirim artja ka Karangpanjiksan, kula lĕbĕt teu njaho-njaho, sarta 'Djěng Rama ulun, hanteu pisan masihan warti, sakitu geus lilana, Sang Putia Ratu, ngirimkeun artja siksaan, saruana reudjeung paman Mantri Ginggi, teu pisan ngabedjaan.

3. Kaduana bĕnĕrna mah tadi, barang gěbrus ngasupkeun si artja, sidikkeun masing katendjo, teurak-hanteuna ratjun, mun geus sidik eta wěrĕdjit, jen hanteu bisa teurak, djait buru-buru, pindahkeun deui artjana, [ 84 ]pilih-pilih kana kamar sedjen deui, nu bakal bisa teurak.

4. Kamar duruk reudjeung kamar giling, kamar keueum sarta kamar kampa, kamar tjatjag kamar godog, mana bae nu madju, anu bakal teurak ngabasmi, tah kitu pĕrmistian, lain sina wungkul, tĕtĕp dina hidji kamar, bĕt paman mah, diantĕp sakitu bukti, jen ratjun hanteu mĕntal.

5. Mantri Ginggi ngawangsul ka Putri, djisim abdi oge satadina, emutan nja kitu bae, amung kalangkung-langkung, barang artja bade didjait, ti Djurung-padjarangan, hanteu kiat asup, panas tĕu aja bangsana, djisim abdi ampir-ampir njorang pati, bawaning ku panasna.

6. Djisim abdi saumur nja hurip, nĕmbe měndak nu kitu panasna, langkung tina seuneu bae, ngahulĕng Ratna Aju, ngadangukeun piundjuk Mantri, jen kitu-balukarna, dina kamar ratjun, teu lami ladjĕng ngandika, tjoba-tjoba ku kaula rek diroris, si Djurung Padjarangan.

7. Hanteu lami ladjěng Radjaputri, angkat njatat nu ngiring sadaja, pramantri djeung prakaliwon, ngadjugdjug kamar ratjun, hanteu lami geus sumping, ka Djurung Padjarangan, njondong panto nutup, sartana waktu harita, Radjaputri kaget salĕbĕting galih, dugi ka ngaranděgna.

8. Marga ngangseu seungit ngadalingding, langkung-langkung ti seungitna kĕmbang, ngelehkeun sugri wawangen, Ratnaju barang ngambung, ngadak-ngadak pepes nja galih, ilang di kapusingan, lipur geusan bĕndu, wĕkasan Putri nimbalan, ka Ki Mantri nu geus bakuna ngadjagi, mukakeun panto guha.

9. Mantri Ginggi saparantos nampi, parentahan ti Ratna Suminar, tĕras bae muka panto, tapi kĕrsa Jang Agung, eta panto kamar wěrĕdjit, hanteu beunang dibuka, tjara beunang maku, dipaksa potong sorogna, Mantri Ginggi susahna kawanti-wanti, nĕpi ka ngutjur kesang.

10. Dibantuan ku sakabĕh mantri, hanteu beunang disurung disungkal, disered padoger-doger, sadaja sami bingung, Ratu Putri ladjĕng ngalahir, ka Mantri Padjarangan, paman, Mantri mutuh, nêpi ka kieu pĕtana, jen pĕrtanda geus heubeul tara diroris, sampe taihiangan.

11. Halik bae pramantri njalingkir, tjoba arek ku kula dilaan, nja urang rudjadkeun bae, teu lami Ratna Aju, njandak panto kamar wěrědjit, djeung ngawatĕk sagala, sakur elmu-elmu, babakuna pamêtjatan, nu dipalar ku karĕsa Ratu Putri, rarudjad paburantak.

12. Tatapina kěrsana teu djadi, tjambal kabeh djangdjawokanana, sakur elmuning kasakten, diusap djeung ditiup, panto kamar djongdjon walagri, teu obah-obah atjan, Radja Putri langkung, kagetna lĕbĕting manah, djeung ngaraos kakara saumur hurip, teu měntal pangawasa. [ 85 ]13. Sarta nandang wirang leuwih-leuwih, ku sadaja pramantri nu ningal, tjulang-tjileung seuri koneng, teu lami ladjĕng njaur, ka sadaja pramantri-mantri, djasad kaula tiwas, tjambal elmu-elmu, sagala taja nu mĕntal, kawas-kawas eta si artja teh lain, manusa samanea.

14. Diri kula saumur nja hurip, bĕt kakara ngarasa ajeuna, adjian tjamplang sakabeh, mana kitu ge tangtu, ieu artja tĕrah istuning, bĕnĕr pangkusumahna, kasinungan luhung, ngagĕm raraga sampurna, katitisan wahju sipating sadjati, ieu Purnama Alam.

15. Tapi kula tekad dina ati, kadjeun nadah pati djeung tinimbang, teu laksana muka panto, sabab ku kula estu, geus kaharti moal sak deui, akal supaja bisa, muka ieu pintu, kudu tata djeung pamitan, geura dangu ku sadaja para mantri, kitu ge susuganan.

16. Hanteu lami ladjĕng Ratu Putri, dĕku njieun tědak kahormatan, bari majun kana panto, nun Gusti Agung, Radjaputra tĕrah Narpati Sang Pangeran Purnama, abdi něda tulung, ieu panto mugi muka, abdi bade ngadeuheus ka kĕrsa Gusti, marga maksad patěpang.

17. Saĕnggeusna panuhun Sang Putri, eta panto bĕt udjug braj muka, tjara disurungkeun bae, Ratu Putri kalangkung, nandang kaget lĕbĕting galih, tina panto geus muka, awas ka Sang Sunu, djĕro Djurung Padjarangan, Radja Putri teu kěndat neuteup ningali, ka artja Sang Purnama.

18. Kitu deui sadaja pramantri, sami ningal kana djĕro kamar, awas ka Pangeran Anom, karageteun kalangkung, tina margi naringal rupi, tjahaja Sang Pinutga, gumĕbjar ngagěbur, bawaning langkung kasepna, pada mudji sadajana kapala djin, ka Pangeran Purnama.

19. Mantri Ginggi djaba ningal rupi, aja deui pakageteunana, mungguh ka Pangeran Anom, tina sabab kapungkur, waktu neundeun kana wěrědjit, artja Purnama Alam; tjitjingna ngudupung. tatapi mangsa harita linggihna teh bĕt geus dina korsi gading, majun kana pantona.

20. Tatapina ku Ki Mantri Ginggi, teu diwartos ka mantri sadaja, wungkul kaget dina hate, katjatur Ratna Aju, hanteu pisan kĕndat ningali, ka artja Sang Purnama, lutjueun kalangkung, sarta njaur lĕbĕt manah, masa Allah naha mana kasep teuing, artja Purnama Alam.

21. Aing mindĕng ngambah-ngambah nagri, hanteu manggih nu kieu kasepna, anak-anak pranarpatos, anu ĕnggeus katimu, sabuana pusĕring bumi, sakur bangsa kadjinan, ukur lumbrah patut, taja nu kieu kasepna, reudjeung naha ieu rasa hate aing, geugeut teuing ka dinja.

22. Tajohna mah mustika lalaki, aja kasep meakkeun nu lian, ngowahkeun hate awewe, buktina aing estu, geus kawĕntar jen tukang [ 86 ]nampik, bawaning, kapěngkuhan, adat ti ka pungkur, tatapi ajeuna naha, ngait meulit ati ka ieu lalaki, djeung njaah pěrwatěkna.

23. Saěnggeusna njaur kitu Putri, ladjěng ngaděg tina pangděkuan, manahna nambahan mabok, bawaning ku kadujung, geus teu nolih era ku mantri, Putri Ratna Suminar, lěng bae teu emut, kana pěrtata kusumah, djadi leungit pěrtiti těrah narpati, bawaning ku kagěndam.

24. Djeung harita kěrsana Sang Putri, bade lěbět njampeurkeun Sang Putra, tapi ti djěro ngahebos, panasna liwat langkung, karaosna ku Ratu Putri, sartana hanteu lila, tina kamar ratjun, Sang Ratna Suminar ngědjat, bari njaur dina salěběting galih, aduh naha bět panas.

25. Ana kitu mungguh diri aing, leuwih-leuwih nandang pakalahan, ku ieu artja, djadjaden, kahidji ratjun-ratjun, djimat aing kabur teu kari, ti Djurung Padjarangan, kadua hal pintu, ampir hanteu bisa muka, lamun banteu aing kana artja amit, těrkadang moal muka.

26. Katiluna estu diri aing, geus kagěndam ku rupana artja, taja papadana bogoh, kaopat mehmeh lampus, ku panasna nu leuwih-leuwih, sarta aing kakara, nadah panas kitu, leuwih ti seuneu biasa, boga pikir teter gimir hanteu wani, ka artja Sang Purnama.


Sinom


1. Tatapi aing tinimbang, hanteu aja kadar milik, ka ieu Purnama Alam, leuwih hade njorang pati, adjur lampus nja diri, dina djĕro kamar ratjun, sanadjan hanteu bisa, asup sabab panas leuwih, moal ingkah ti lawang si Padjarangan.

2. Sanggeus Putri kitu manah, ka artja ningali deui, sarta nambahan guměbjar, nodjo kana raraj Putri, leuwih-leuwih ti tadi, tjahaja Pangeran Sunu, Putri Ratna Suminar, antĕb kageugeut nja galih, rek njampeurkeun da teu kuat ku panasna.

3. Tungtungna Ratna Suminar, bawaning ku antĕb galih, sarta nadah kaewuhan, ngarumpujuk hanteu eling, sarta bari ngadjěrit, njambat-njambat ka Sang Sunu, aduh Purnama Alam, manusa mustika rupi, něda tulung abdi pun Ratna Suminar.

4. Mugi agung sih piwělas, ka nu bodo sisip budi, kĕrsa ngaleungitkeun panas, ti djěro kamar wĕrĕdjit, margi ajeuna abdi, ka pangkon adjêngan estu, manawina kamanah, sumědja sumadrah diri, ngangkĕn ratu sumudjud dunja-aherat. [ 87 ]5. Kitu Putri sasambatna, teu pisan kĕndat samĕnit, dipangkon ku para ĕmban, kaget sadaja pramantri, djagasatru ngabeui, ningal Radja Putri kitu, njandangan kalalian, sasambat djeung djĕrat-djĕrit, pada njĕbut kasibat ku rupa artja.

6. Enggal pramantri sadaja, budal lalumpat ka nagri, sědjana marêk ka Radja, ngundjukkeun lampah Nji Putri, katjaturkeun geus nĕpi, sadajana ka kadatun, njondong Ratu keur lĕnggah, sarĕng Aria Papatih, kakasihna Aria Lungabarahma.

7. Barang katingal ku Radja, sadajana para mantri, leumpang gantjang tingrarenghap, Ratu langkung kaget galih, sartana geus ngadjudi, tinangtu manggih pakewuh, geusan kabalaian, teu lami Ratu ngalahir, ka sadaja pramantri anu darongkap.

8. Eh pramantri hulubalang, djeung djagasatru ngabeui, maraneh, naon nu matak, daratang ka pajun kami, kawas aja pamanggih, leumpang rusuh gura-giru, tjoba geura undjukan, těras njĕmbah Mantri Ginggi ngawangsulan ka Sang Ratu Saksaria.

9. Bari rumandjug rumenghap, bawaning ku langkung adjrih, kalajan sadaja marga, dumeuheus ka dampal Gusti, wirehing nu*sajakti, sumêdja bade piundjuk, margi wangkid ajeuna, di guha Bandjaransari, putra Gusti Sang Adjĕng Ratna Suminar.

10. Kenging baja agĕng pisan, sasar hanteu eling-eling, dina Djurung padjarangan, sasambat sinarĕng nangis, artja anu dipuhit, nu kintunan Maha Ratu, Prabu Putiasukma, margi masih keneh djirim, hanteu mĕntal ratjun Djurung Padjarangan.

11. Tina ku margina eta, supados Gusti tingali, Maha Ratu Saksaria, ngadangu piundjuk Mantri, kalintang kaget galih, ka Aria Patih njaur, Patih Lungabarahma, haju urang gasik-gasik, kana guha neang Nji Ratna Suminar.

12. Hanteu lami Sang Sri Nata, sinarĕngan Prameswari, tungang kareta kantjana, gumilang wantu disangling, kudana samparani, ladjĕng djĕngkar Maha Ratu, nu ngiring Arja Patya, sarĕng ponggawa pramantri, kana guha Bandjar-karang panjiksaan.

13. Katjaturkeun sasumpingna, kana djĕro guha tjandi, kamar Djurung Padjarangan, sarta njondong Ratu Putri, sidik piundjuk Mantri, jen Ratna Suminar ngangluh, nangis sarta sasambat, Sang Ratu sarĕng Meswari, ladjĕng mangkon ka Putri Ratna Suminar.

14. Ratu njaur djeung ngalimba, aduh-aduh anak aing, nu geulis Ratna Suminar, ku naon Njai teh lali, nandang sangar nja ati, kawas lain titis Ratu, těrahing raga ama, djasmani rĕmbĕsaning djin, senapati [ 88 ]mangku rat Tolongtělěngan.

15. Njai ulah kitu tata, sing ingĕt putri Narpati, kapan Njai geus kawêntar, geus njangking ati sadjati, kana sagala surti, elmu kalawan panĕmu, ahir kieu buktina, njorang tjotjobaning ati, matak wirang kasurak ka sabuana.

16. Sang Adjěng Ratna Suminar, sanggeus ngadangu panglahir, liren nangis djeung sasambat, tumukul bawaning isin, amung ladjěng Sang Putri, ka Maha Ratu piundjuk, bari njusutan sotja, duh ama margina abdi, gaduh lampah tjeurik dugi djĕdjĕritan.

17. Sanes kabadi kasibat, sanes kapandjingan iblis, sanes karantjana setan, amung anu djadi awit, wirehing diri abdi, ngemutkeun parantos mashur, kongas ka sabuana, tina kagagahan sakti, luhung elmu pěrkosa nja pangawasa.

18. Amung eta kagagahan, ajeuna karaos djalir, roa-roa pakalahan, dumugi opat pěrkawis, kawonna diri abdi, elmu panĕmu teu madju, tumbal-tumbal teu měntal, kias-tarekah teu matih, kana ieu artja pun Purnama Alam.

19. Kabur sadajana djimat, baruang ratjun wěrědjit, tina Djurung padjarangan, kadua pěrkawis tadi, panto kamar wěrědjit, pageuh langkung ti dipaku, hanteu kenging dibuka, muka soteh enggal abdi, pĕrmuhunan njambat ka artja Purnama.

20. Dupi tilu pěrkawisna, barang braj pantona sidik, katingal rupina artja, hanteu samar tingal abdi, nĕmbe saumur hurip, měndak nu kasep pinundjul, gumĕbjar tjahajana, dumugi ka ati abdi langkung-langkung kabongbroj geugeut ka artja.

21. Sarĕng kaopat pĕrkara, bawaning ku geugeut abdi, těras njampeurkeun ka artja, ka djěro kamar wěrědjit, amung teu kantos dugi, kumargi panasna langkung, meh abdi kana pedjah, upami teu ngĕdjat gasik, tina djĕro kamar Djurung Padjarangan.

Asmarandana


1. Němbean saumur hurip, měndak panas tjara eta, langkung tina seuneu bae, ngahebos dugi bosbosan, tina ragana artja, atuh abdi hanteu tulus, njakĕtan Purnama Alam.

2. Mung mikir djĕroning ati, pĕrtela jen nadang kalah, pasal djadjaten kasakten, ku artja Purnama Alam, sok komo keur hirupna, man[ 89 ]djurna elmu panĕmu, tĕrah Narpati Riskomar.

3. Kitu awit diri abdi, margi nandang sakieuna, tina emutan rumaos, kaunggulan pangawasa, agĕngna ku kahajang, malah abdi anu estu, pamaksad waktos ajeuna.

4. Sae abdi njorang pati, raga nadah pantjabaja, tinimbang hanteu kalakon, kana raga munggah bagdja, ka artja Sang Purnama, maksad runtut djadi dulur, dunja dumugi aherat.

5. Nadjan ama hanteu idin, midulur ka sanes bangsa, abdi nêda idin bae, maha Ratu Saksaria, langkung- langkung kagetna, ngadangu Putri piundjuk, kitu balukarna artja.

6. Sakědap hanteu ngalahir, ngan wungkul gojang mastaka, sarta ka artja ngareret, katingal sidik rupina, gumĕbjar tjahajana, Ratu dumugi ngarandjug, kaget ku endah rupina.

7. Sarta leuwih wĕlas asih, Sang Ratu ka eta artja, hookeun teu pĕtot mĕntjrong, njaur salĕbĕting manah, aduh-aduh paingan, si Njai mani kapintjut, da kasep taja bangsana.

8. Tungtungna Maha Narpati, ningal artja Sang Purnama, langkung-langkung pogotna teh, meh hanteu tolih ka putra, anu keur lara manah, tina bawaning ku lutju, ningali tjahaja mubjar.

9. Sarta teu lami ngalirik, Ratu ka Ratna Suminar, sartana bari njarios, tina kituna kumaha, Njai teh pamaksudan, jen hajang ngaku sadulur, ka ieu Purnama Alam.

10. Kawas taja pĕta djadi, da puguh geus djadi artja, sarta titipan Narpatos, Putiasukma Ambarak, njobat dalit djeung ama, geus djadi dulur satuhu, taja pěta bisa robah.

11. Barang Sri Maha Narpati, geus kitu dawuhanana, udjug-udjug meundeut bae, panto Djurung padjarangan, Ratu tambah kagetna, sarta teu lami ngadawuh, estu matak aneh pisan.

12. Sumawonna Raden Patih, Aria Lungabarahma, wungkul tjulang-tjileung bae, tina ningal panto kamar, meundeut tanpa karana, tjara aja anu ganggu, nutup pintu Padjarangan.

13. Sri Maha Narpati gasik, njampeurkeun kana lawangna, rek mukakeun deui panto, tatapi teu katjiosan, ku sabab ngaraosan, tina djĕro kamar tĕmbus, ngaheab panas katjida.

14. Panangan Maha Narpati, ngerepes djeung ditiupan, panas tina njandak panto, ngêdjat tina lawang kamar, ka anu rada anggang, sarta ka Aria njaur, lah Patih Lungabarahma.

15. Kakang heran leuwih-leuwih, naha ieu panto kamar, katjagap panas nereptep, leuwih ti seuneu biasa, eta naon sababna, leungeun [ 90 ]kakang ampir tutung, geura ku Patih tingalan.

16. Rahaden Aria Patih, piundjuk ka Sang Sri Nata, tjobi, abdi dalĕm bae, muka pintu Padjarangan, hajang tĕrang panasna, saur Ratu tjing pek atuh, geura buka masing beunang.

17. Njĕmbah Raden Arja Patih, těras kana lawang Kamar, barangna ngaragap panto, karaos panas katjida, lain wungkul panangan, nu karaos gĕsĕng tutung, něrěkab kana salira.

18. Ampir-ampir Arja Patih, lampus ku lantaran panas, ngan hadena ngědjat bae, tina lawang Padjarangan, bari dadaligdeugan, sarta njĕbat aduh-aduh, tobat panas tobat panas.

19. Sri Maha Ratu Saksaria, lintang tina kareuwasan, sartana tĕrus njarios, ka sadaja prakapala, kami heran katjida, naha mana djadi kitu, ieu kamar Padjarangan.

20. Ajeuna mah rĕmpug kami, ku sabab kieu pětana, kawas lain djore-djore, samanea bangsa artja, teu beunang dideukeutan, nja singkiran bae kudu, bisi aja nu tjilaka.

21. Ĕngkeun bae tong didjaring, kamar Djurung Padjarangan, ku sabab geus kapihate, mungguh ku kami sorangan, tangtu aja ahirna, sangar guha Bungbungümur, těrkadang djadi baruntak.

22. Ajeuna haju ka nagri, barĕmpug ieu pĕrkara, ngondangan para dipatos, sugan aja anu bisa, njokot atrja Purnama, Aria Patih ngawangsul, njumanggakeun ka Sri Nata.

23. Barang rek djĕngkar Sang Adji, Ratna Suminar undjukan, ka kĕrsa Sang Maha Katong, bari nangis sambat-sambat, atuh ama abdi mah, maksad moal waka wangsul, sumědja těras nuguran.

24. Di ieu kamar wêrĕdjit, ku margi abdi emutan, wangsul ka dajeuh keur naon, upami hanteu kabawa, artja Purnama Alam, kadjeun abdi njorang lampus, raga nadah ngababatang.

Dangdanggula

1. Teu lami Ratu ngandika, aduh ĕnung Ratna Suminar eulis, naha Njai mana kitu, bĕt taja kaingĕtan, kawas lain titisan terahing ratu, wani rek nuguran artja, kawas lain tata putri.

2. Naha Njai teh teu era, mun kawĕntar ka praarja bopati, jen Njai teh kitu laku, djadi deugdeugan djalma, kaduana kumaha lamun katĕmbus, ku Ratu nagri Ambarak, sobat dalit ama jakin. [ 91 ]3.  Eta teh titipanana, pangnjiksakeun dina kamar wěrědjít, ahir ku Ěnung diganggu, sasatna ditulungan, tangtu bae ka ama pikirna pundung, těrkadang měntog ngadalak, jaji Putia Sukmadji.

4.  Nanging Sang Ratna Suminar, teu kenging ku rama diririh-ririh, keukeuh bae bade tugur, maksa nadjan dipaksa, teu didangu saurna rama Parabu, enggalna bae tjarita, Kangdjěng Radja ladjěng mulih.

5.  Diiring ku sadajana, sami budal rentjang taja nu kari, buru-buru wararangsul, kantun Putri njalira, direntjangan ku sahidji mantri ratjun, tukang djagana di dinja, wasta Raden Mantri Ginggi.

6.  Siang-wěngi hanteu ingkah, djeung dibarung tatapa Radjaputri, djunun ka sagala wudu, teu kulěm hanteu tuang, katjaturkeun kira ěnggeus tudjuh minggu, linggihna di Padjarangan, teu mulih-mulih ka nagri.

7.  Mantri Djurung Padjarangan, kabawakeun kěntel peudjit ku Putri, tatapi ngan ukur saum, bobor pukul sawělas, da sok njělang, ka bumina mundut sangu, kawantu baham pituang, peudjit sok ahli salatri.

8.  Bawaning ku kaantekan, Ratuputri měrdih wahjuning diri, mundut makbul sapamaksud, ka Anu Murbeng Alam, lami-lami katurunan oge wahju, těrbuka djěroning rasa, soara tan katingali.

9.  Niba kana raga-sukma, djadi sora sari di sanubari, sumurup kana pangrungu, aeh Ratna Suminar, nadjan ngěluk tapakur něpi ka sěpuh, moal laksana kahajang, mun wungkul di dieu tjitjing.

10.  Ajeuna mah kudu lunta, iděr-iděr teangan sing kapanggih, Dewi Pramanik saestu, sarta bangsa manusa, lamun maneh djeung eta parěng patěpang, tangtu laksana kahajang, ajeuna geura los indit.

11.  Sakitu eta soara, Sang Putri djin gugup nguping panglahir, njaur sadjěroning kalbu, lah aja těrbukaan, ngawurukan kudu neangan sing timu, di dunja kamanusaan, nu ngaran Dewi Pramanik.

12.  Tatapina sukur pisan, nadjan aing. teu njaho di Pramanik, 'mo burung disusul-susul, sawěngkon alam-dunja, dibelaan lampus badan pěgat umur, dina satěngahing djalan, tinimbang hanteu kapanggih.

13.  Teu lami Ratna Suminar, ladjěng bae njaur ka Mantri Ginggi, paman Mantri djuru ratjun, ajeuna maksud kula, arek njaba lumaku ngadjudjur napsu, ka těmpat kamanusaan, aja anu diilari.

14.  Ari nu rek diteangan, teu pěrělu ku kula dipiwarti, ngan paman Mantri teh kudu, ajeuna ngiring kula, Mantri Ginggi ngawangsul ka Ratna Aju, sim abdi sadaja-daja, maksad tumut kana ngiring.

15.  Amung djisim abdi sěsah, saha nu di dieu baris ngadjagi, kamar Padjarangan ratjun, saupami ditilar, saur Putri paman Mantri montong bingung, da 'mo aja nu ngopenan, nu tjutjungah kumawani. [ 92 ]

Putjung

1.  Gantjangna teh ieu anu dipitjatur, Sang Ratna Suminar, hanteu lami ladjĕng bae, sudjud kana panto lawang Padjarangan.

2.  Bari njaur nun Gusti artja nu luhung, Sang Purnama Alam, nu ngagĕm sipat djadjaten, ieu abdi wasta pun Ratna Suminar.

3.  Wireh abdi nampi wahju ti nu luhung, gěntra tan katingal, kakuping kalintang djentre, dikědahkeun ngambah dunja kamanusan.

4.  Sanggěm tuduh teangan masing katimu, Pramanik wastana, istri manusa sajaktos, nu geus njangking raraga kasampurnaan.

5.  Marga eta maksad abdi mung nunuhun, nĕda sih piwĕlas, pandunga adjĕngan bae, mugi-mugi wiludjĕng tĕngahing djalan.

6.  Manawina tiasa nja makbul maksud, ka lĕnggah adjěngan, tekad sumudjud migusten, tumut tigin manutan dunja-aherat.

7.  Hanteu lami saĕnggeus Putri piundjuk, ka Mantri ngandika, bari ngalirik ka gedeng, haju paman urang arindit ajeuna.

8.  Mantri Ginggi ka Putri njĕmbah ngawangsul, sim abdi ngiringan, kana kĕrsa naon bae, moal tuna sumudjud sapapaosna.

9.  Hanteu lami Sang Ratna Suminar těrus, tina Padjarangan, angkat ka Karangkaputren, palĕnggahan di guha Karang-panjiksan.

10.  Sanggeus sumping ladjĕng njaur sina kumpul, mantri-mantri guha, nu njangking piagĕm kuntjen, kĕna njĕkĕl kamar-kamar panjiksaan.

11.  Sanggeus kumpul hempak marando tarungkul, Sang Putri ngandika, eh para mantri sakabeh, maksud kula ajeuna rek mere těrang.

12.  Waktu ieu kaula arek lumaku, ngalanglang buana, sawĕngkoning dunja kabeh, pělěsiran rek ihtiar kasirnaan.

13.  Sarerea sabot ku kula dikantun, ulah sambewara, wani nigawe tjampoleh, udar-iděr taledor kana tuguran.

14.  Kaduana di sadjěro kula suwung, poma ulah pisan, boga hate kumawanen, ngarasupkeun nu tatjan idin kaula.

15.  Watĕs ieu sanadjan bangsa tumĕnggung, ngiriman siksaan, ulah wani nampa bae, lamun taja tetesan tanda kaula.

16.  Saha-saha nu wani tangtu dihukum, dipotong beuheungna, ku kaula moal geseh, ngadjalankeun pangadilan rat kadjinan.

17.  Tina sabab kula mirasa kasiku, tjambal pangawasa, sabab lantaran kula teh, karungrungan ku artja-artja tĕnungan. [ 93 ]18.  Ajeuna mah pikir kula nu saestu, nolak ka nu datang, ngirim artja keur parepeh, nadjan Ratu Putiasukma Ambarak.

19.  Ku kaula moal diturut digugu, mun maksa ditahan, dilawan ngadu kasakten, digaradah dilabrak ka nagarana.

20.  Sadajana pramantri raong ngawangsul, pĕrkawis dawuhan, maksad ditumutkeun bae, amung mugi wiludjĕng hibar gamparan.

21.  Saur Putri sabalikna kula estu, muga dibarĕngan, ku dunga mantri sakabeh, supajana salamĕt di panjabaan.

22.  Gana tutup sasauran Ratna Aju, ladjĕng bae djĕngkar, didjadjapkeun ku sakabeh, dongkap kana katja-katja lawang guha.



Sinom


1.  Sang Adjĕng Ratna Suminar, enggalna bae digurit, harita teh ladjĕng djĕngkar, diiring ku Mantri Ginggi, wantu-wantu tĕdak djin, kaluar ti bumi pitu, tjara kilat gantjangna, geus Satja kana wiati, djeung teu pĕtot paningal ka madhab papat.

2.  Ngatjatjang di awang-awang, mun linggih di mega putih, pĕrdjalanan dina topan, nunggang kana kalang kuning, lirik ka katumbiri, ngalantung di kuwung-kuwung, ngadjadjah djihat-djihat, bebendjo nu katingali, liren ngaso ningal bentang raranggeujan.

3.  Linggih dina djomantara, ngalahir ka Mantri Ginggi, eh paman Mantri kumaha, kula leuwih susah ati, neangan Sang Pramanik, ka mana geusan ngadjugdjug, ku sabab nu nuduhan, teu njĕbut tĕmpatna tjalik, nu djĕnĕngan Pramanik kamanusaan.

4.  Nanjakeun ka saha nanja, nu bakal tĕrang Pramanik, sabab taja kawawuhan, mungguhing kula pribadi, ari teu nanja risi, saumur-umur teu tĕpung, da teu njaho rupane, dipilih moal kapanggih, tina sabab manusa teh leuwih loba.

5.  Mantri Ginggi ngawangsulan, bawi raos djisim abdi, sae gamparan mariksa, ka kĕrĕsa Kangdjĕng Gusti, Ratu Ambarak nagri, manawi andjeunna maphum, wirehing kamanusan, Ratna Suminar ngalahir, atuh njasat kula nanja ka dinja mah.

6.  Lain lampah dĕdĕĕmitan, nanja ka bapa Kaswati, tina sabab tangtu pisan, manehna kageteun ati, kula njusul Pramanik, tĕrkadang boga timburu, jen kula kieu lampah, ingkah ti pusĕring bumi, ngambah-ngambah buana kamanusaan. [ 94 ]7.  Ku sabab eta tinimbang, diri kula kumawani, nanja ka Putiasukma, leuwih hade mudjasmedi, nĕda kamandang deui, nunuhun ka sipat luhung, nuduhkeun patěmpatan, djeung rupa Dewi Pramanik, madhab mana lamun nagri-nagri mana.

8.  Ajeuna tuturkeun kula, arek sumeuseuh nja diri, napakuran dina bulan, měrih Batara-Batari, ngalap ka Dewa-Dewi, nunuhun ka sipat luhung, muntang ka pra Sangiang, sugan aja sihing diri, nitis wahju waluja makbul pamaksad.

9.  Mantri njĕmbah ngawangsulan, djisim abdi maksad ngiring, mĕnggah ka kĕrsa gamparan, sanadjan dongkap ka pati, ngiringan mudjasmedi, ngadeudeul kana nunuhun, mugi kadar gamparan, laksana kahojong galih, enggal tĕpang kalajan kawiludjěngan.

10.  Tunda Sang Ratna Suminar, nu keur mantĕng mĕrih djati, malikan deui tjarita, Sang Sri Putiasukmadji, di Ambarak nagari, waktu harita geus kumpul, para dipati arya, oganan ti sedjen nagri, sakur ratu anu dibawah parentah.

11.  Sami lĕnggah di pamĕngkang, beres sami dina korsi, Sri Maha Putiasukma, ngadawuh ka pradipati, marga sadaja sami, para bopati tumĕnggung, digingsir kana lĕnggah, wirehing aja pěrkawis, maksad bade mupakat ka sadajana.

12.  Sarta anu djadi pasal, pun anak Njai Kaswati, ĕnggeus boga papatjangan, pangreremo ti leuleutik, geus purun pada djinis, puguh sěpuh pada sěpuh, ngaran Purnama Alam, geus dipatok bakal djadi, anak Ratu Pramajon nagri Riskomar.

13.  Tatapi Ratu Riskomar, ajeuna tjidra ti djangdji, lir lain tata Narpatya, ka bangsa Dipati deui, njieun pĕrkara kulir, tjula-tjulu hanteu patut, ajeuna Si Purnama, bět geus ngabogaan raĎi, dikawinkeun ka awewe anu lian.

14.  Taja bema karamana, sêpi budi anu galib, biasa ka papatjangan, upama parĕng teu djadi, ngabědokeun nu misti, ku tjatur supaja lulus, nu leuleus karasana, tĕgĕsna basa nu manis, nu dipalar teu djadi katugĕnahan.

15.  Ku sabab eta ajeuna, tina leuwih-leuwih njĕri, ku Ratu nagri Riskomar, manawi sadaja sami, rěmpag ieu pěrkawis, sědja menta pabuburung, ka Sang Ratu Riskomar, lain ku barang ku duit, Sang Pramajon patina anu dipenta.

16.  Saupami karĕmpagan, sasih ieu urang indit, budalkeun wadia balad, korojok basmi sakali, Ratu Riskomar nagri, sabab tutur mun teu tumpur, da bongan gana-gana, kumawani tjidra djangdji, ka nu ngaran [ 95 ]Sri Maha Putiakusuma.

17.  Sri Maha Ratu Ambarak, saparantosda ngalahir, sadaja para dipatya, raong ngawangsulan sami, njĕbat sumĕdja ngiring, ngěrsakeun kana ngarurug, amung hidji dipatya, Sang Sri Maha Raraspedi, nagarana Banuja bawah Ambarak.

18.  Ngawangsul djeung leuwih hurmat, ka Sang Putiasukmadji, nun rai Dalĕm kalintang, ngiring tunggaraning ati, raka Dalĕm wawarti, kagungan kewuhan kalbu, nĕtĕs kaprihatosan, wiwitan Kaseuit galih, ku tjidrana Sang Ratu nagri Riskomar.

19.  Raka Dalĕm sěděng pisan, dumugi ka bĕndu galih; kemutan ku kajaktosan, mĕnggah kirangna pĕrtiti, Sang Riskomar nagari, midaměl laku teu patut, estu sĕdĕngna pisan, dibalĕs dibasmi pati, dikorojok dibědah djĕro nagrina.

20.  Mung rai Dalĕm kemutan, manawi sapuk ing galih, sinarĕngan pangĕrĕsa, raka Dalĕm nu sajakti, jen pĕrkawis migalih, madjĕng kana pĕrang pupuh, nangkěp Ratu Riskomar, mung rai Dalěm pamugi; sewu sewu nja panuhun ulah waka.

21.  Dupi nu djadi margana, rai Dalĕm nu sajakti, sakalintang teu raosna, sapandjang djadi dipati, wungkul bakti upěti, ka salira raka Ratu, estu teu atjan pisan, katur babakti ku pati, madjêng djurit dina tĕngah danalaga.

22.  Dumugi gaduh emutan, hěnteu dipĕrtjantĕn diri, kana njorang pĕpĕrangan, amung Wungkul djuruduit, didaměl djuru kuntji, Sang Putiasukma njaur, naha bĕt kitu manah, kapan tadi ge geus djangdji, sarerea bakal dibawa ku kakang.

23.  Teu milih hidji-hidjina, sakabeh para bopati, rek dikĕrid ka Riskomar, ngawangsul Sang Raraspedi, eta nu djadi margi, rai Dalĕm anu estu, njangking kateu-raosan, ngarurug ka hidji nagri, dirurubung emutan bĕt kadongdora.

24.  Pamaksad rai Dalĕm mah, paněda anu sajakti, nangkĕp Sang Ratu Riskomar, montong direntjangan deui, rai Dalĕm pribadi, klajan taruh katur umur, rai Dalĕm hukuman, saupami hanteu kenging, Sang Pramajon dibandang di danalaga.

[ 96 ]

Dangdanggula


1.  Sang Sri Maha Putiasukmadji, langkung kaget nguping piundjukna, Maha Raraspedi Katong, gumuju tjampur bĕndu, sarta ladjĕng ngalahir deui, rai teh saĕnjana, lain saur palsu, jen kitu teh pasanggupan, hajang madju sorangan ngarurug djurit, ka Sang Ratu Riskomar.

2.  Lamun ĕnja nja sukur teh teuing, hanteu kungsi hese sarerea, kakang ngadungakeun bae, nja indit poe isuk, tatapina kakang rek djangdji, lamun djalir ti akad, jaji teh tinangtu, kenging hukuman ti kakang, sakumaha pasanggupan jaji tadi, nu kakuping ku kakang.

3.  Mun teu kenging Sang Riskomar nagri, jaji kenging disĕbatkeun tjidra, ka anu djadi narpatos, patut dihukum gantung, sakumaħa tali paranti, pangadilan Ambarak, hanteu, tolih ratu, sakumaha njorang salah, da jaji ge tinangtu ĕnggeus tingali, mungguh ka adat kakang.

4.  Enggalna mah Ratu Raraspedi, ĕnggeus rěmpug sarĕng sadajana, sakahojongna didolos, mung Sang Ambarak Ratu, miwarang ka hidji papatih Kumba, kapĕtĕngan Ratu, njarĕngan Radja Banuja, djadi saksi bisi tjidra tina djangdji, eta nu baris njiksa.

5.  Sarta Patih Kumba Aring-aring, njumanggakeun kana dawuh Radja, sanggĕm kana ngaborogod, gantjangna nu ditjatur, saparantos gunĕman warti, sadajana bubaran, ti gĕdong kadatun, masing-masing matamuan, djeung geus pasti Maha Ratu Raraspedi, poe isuk djĕngkarna.

6.  Ari eta Ratu Raraspedi, saban linggih ka nagri Ambarak, muru-muruna natamon, sartana ĕnggeus baku, dina hidji babakan suni, luareun eta kota, wargina saestu, ka eta. nu dilinggihan, pĕrĕnahna Maha Ratu Raraspedi, sabrajna kapiraka,

7.  Damĕlna teh kana bangsa tani, kakasihna Raden Gěndarata, turunan bangsa gěgěden, djeung ngulik elmu-elmu, wawaridan ti rěsi-rěsi, malah waktu harita, karungrungan luhung, panjipta sagala njata, tur waspada kana sagala nu gaib, ngulik bagbagan palak.

8.  Wêngi eta Ratu Raraspedi, gunĕm saur sarĕng Gěndarata, mung alon pating harewos, Ratu Banuja njaur, poe isuk kang rai indit, ka nagara Riskomar, djeung wadya soldadu, kenging tadi pěrmuhunan, ka kěrěsa kakang Putiasukmadji, rek nangkěp Sang Riskomar.

9.  Sarta nganggo ditaruhan pati, mun teu beunang Sang Ratu Riskomar, njawa rai djadi gĕntos, ku kĕrsa raka Ratu, sarta rai nganggo [ 97 ]disaksi, Aria Patih Kumba, nu bakal didjurung, njaksian kang rai pĕrang, rai lintang nadangan bungah nja ati, ku marga kawidian.

10.  Amung aja halangan saeutik, nganggo saksi Aria Patih Kumba, halangan bungah nja hate, Gĕndarata ngawangsul, raos abdi Dalĕm sajakti, pěrkawis Arja Kumba, tong didamĕl ewuh, sanadjan gagah pěrKosa, sakti pundjul jasa ngambahing wiati, kěrsa Dalĕm tong rempan.

11.  Masih keneh abdi Dalĕm hurip, manawina hěnteu katjambalan, tumbalna abdi Gusti teh, titilar ti karuhun, sarĕng abdi Dalĕm pamugi, ditjandak ka Riskomar, paněda sakitu, etang-etang panadaran, kĕrsa Dalĕm dikabul nu dipigalih, taun ieu mangsana.

12.  Sinarĕngan kadua pěrkawis, abdi Dalĕm maksad pěrmuhunan, ka kĕrsa Dalĕm sajaktos, rebu-rebu panuhun, nganggo djalan Riskomar nagri, ulah ka nu biasa, nu alur kapungkur, kĕdah nuturkeun paningal, tuduh djalan rupina tjahaja kuning, aja di awang-awang.

13.  Ku sadaja moal katingali, eta tjahja wantuning rasiah, aja balukarna tangtos, amung ku kĕrsa Ratu, ĕnggeus tangtos jen katingali, katilu pĕrkawisna, abdi Dalĕm kondjuk, mĕnggah pun Aria Kumba, mugi-mugi ulah ditjakĕtan teuing, dina sadjalan-djalan.

14.  Balukarna mangke tangtos bukti, katingali raga Arja Kumba, mĕnggah ku kĕrsa Pagusten, Sang Raraspedi njaur, kang rai mah sumĕdja ngiring, kana tarekah kakang, ngan muga rahaju, laksana djeung salamětna, ngudar bahja sĕpah mitra para wargi, ngabubarkeun rantjana.

15.  Sang Sri Maha Ratu Raraspedi, sarêng raka Raden Gĕndarata, geus liren gunĕm tjarios, gantjangna nu ditjatur, sarta waktu eta geus peuting, karulĕm sadajana, nudju tabuh satu, Ratu sarĕng Gĕndarata, kakotjapkeun isukna Sang Raraspedi, kěmpělan di pamĕngkang.

16.  Djeung sadaja praarja bopati, di pajuneun Sang Putiasukma, beres di gĕdong karaton, Raraspedi katjatur, ĕnggeus nganggo sikêp tarapti, tědak kasenapatyan, nu rek madjěng pupuh, sarta Patihna Banuja, ĕnggeus nganggo kasenapatian djurit, Rahaden Pramadia.

17.  Ngadeuheusan pajuneun Sang Adji, tungkul mando ngupingkeun dawuhan, gantjangna nu ditjarios, Sang Putyasukma njaur, ka Kang rai Sang Raraspedi, eh jaji Sang Banuja, ajeuna geus nudju, kana waktuna barangkat, didungakeun ku kakang pamugi-mugi, jaji kawiludjěngan.

18.  Sarta mugi makbul kĕrsa raji, jasa nangkĕp Sang Ratu Riskomar, ngabasmi baladna kabeh, Raraspedi ngawangsul, rai Dalĕm mung laksa-kěti, marganing kanuhunan, mĕnggah raka Ratu, masihan piwĕlas dunga, mugi-mugi hibar karamat ngadjadi, wiludjĕng sapaosna.

19.  Sinarĕngan sadaja pamugi, raka-raka anu sami lĕnggah, para [ 98 ]aria bopatos, mugi lĕdjaring kalbu, sami-sami miwělas asih, ngadjurung ku pandunga, geusaning rahaju, supados sapapaosna, hanteu njorang tjotjobi bajaning diri, mugi laksana maksad.

20.  Sadajana praarja-bopati, ngawalonan ka Ratu Banuja, katur sami dunga bae, gantjangna nu ditjatur, saparantos tamat wawarti, ladjĕng Ratu Banuja, ka sadaja mundjung, tawis amit bade djĕngkar, hanteu lami Maha Raraspedi, ladjĕng nitihan gadjah.

21.  Eta gadjah alur kana djurit, tutunggangan Sang Ratu Banuja, paranti madjěng palugon, ngaranna si Gurundung, djeung gědena teu aja tanding, bangsana gadjah-gadjah, sarta leuwih wĕduk, tara teurak ku pakarang, geus kasĕbut eta gadjah djimat nagri, sarta kasenapatyan.

22.  Anu ngaping Ratu Raraspedi, ĕnja eta Raden Gěndarata, dina sakĕduk ngarendeng, sakĕduk langkung mantjur, murub mubjar pating karĕtip, wantu beunang narapang, mutiara djambrut, mirah djeung ratna tjampaka, turug tihang ĕmas beunang njangling, wantu anggoeun radja.

23.  Nu ngagondeng kuměndang upisir, sapungkurna leknan reudjeung sarsan, ngabaris nu leuwih beres, soldadu nu tipajun, ngaleut ngeungkeuj lir lulut badis, ari Aria Kumba, wantu saksi pupuh, tungang kuda pangheulana, sarta nganggo njikěp tědak senapati, wawakil Sang Ambarak.

24.  Gĕndarata ka Sang Raraspedi, tĕras bae harita undjukan, tapi alon ngaharewos, dina luhur sakěduk, kĕrsa Dalĕm pamugi-mugi, bada marjěm disada, tanggara ngadjurung, kĕrsa Dalĕm sing waspada, tjěpět tingal kana tĕngahing wiati, tjahaja tuduh djalan.

25.  Sang Sri Maha Ratu Raraspedi, walon mangga ka Den Gĕndarata, gantjangna nu ditjarios, geus něpi kana waktu, djěgur marjěm ngadjurung indit, dibarĕngan ku surak, ponggawa soldadu, djeung sagala pahormatan, pelog dĕgung koromong gambreng djeung musik, barangkat ti Ambarak.

26.  Raraspedi barang marjĕm muni, ladjĕng ningal kana djomantara, sarta sidik hanteu geseh, tjahja kuning ngagĕbur, kulon-kaler nu katingali, ajana eta tjahja, tjara bentang kukus, tapi ari ku sadaja, teu katembong jen aja nu rupa kuning, wungkul ku Sang Banuja.

Asmarandana

1.  Geus ka luar ti nagari, njorang djalan pangalasan, ngaleut balad laksa-kĕten, djeung surak ambal-ambalan, dibarung tatabeuhan, buang obat tingdjalĕgur, eundeur anu kaliwatan. [ 99 ]2. Gantjangna bakal anu digurit, ĕnggeus djauh lalakonna, lamina geus tudjuh poe, nganggo pĕrdjalanan darat, sarta waktu harita, dongkap kana hidji gunung, ngaran gunung Selagala.

3. Di dinja Sang Raraspedi, djeung sakabeh wadya balad, dina puntjak gunung liren, tina bawaning ku palaj, wuwuh hade tĕmpatna, dina puntjak eta gunung, lĕga tur datar nětělar.

4. Rata lenglang taja kai, wungkul djukut kakawatan, pamtĕs tĕmpat palalangon, djeung katingal sadajana, sugrining pangawatan, wetan-kulon-kaler-kidul, plungplong teu aja halangan. 

5. Maha Ratu Raraspedi, tĕras bae masanggrahan, liren dua-tilu poe, puntjak gunung Selagala, ngadaměl masanggrahan, tĕmpat Ratu djeung soldadu, dikěput ku lajar mota.

6. Sadintěn ĕnggeus tarapti, wantu loba anu njagap, ku wadya soldadu kabeh, kitu deui Sang Sri Nata, djeung Raden Gĕndarata, ĕnggeus linggih dina panggung, dikěput ku lajar sutra.

7. Reup peuting sagala muni, rupa-rupa tatabeuhan, musik koromong djeung renteng, tandji badjidor dordoran, djeung eundeur buang obat, mariĕm pating gĕlĕdug, djeung surak ambal-ambalan. 

8. Sabab manah Raraspedi, djeung kabeh para ponggawa, minangka ka ngahormat bae, kana gunung Selagala, djeung něda pangaruhna, supaja mulus rahaju, laksana sapanĕdana.

9. Sami pada bungah galih, taja nu susah saurang, dina wĕngian eta teh, ngan Raden Aria Kumba, dina waktu harita, damĕlna ngan luntang-lantung, nandang hareudang bajeungjang.

10. Edjegeler hanteu tjitjing, teu kiat nganggo raksukan, tjikaringĕt mani ngotjor, bawaning panas salira, raos tjara dideang, reudjeung batur hanteu tjampur, ngangin niiskeun salira.

11. Tapi Kumba Aringäring, ka sadaja teu wawarta, jen tina nadang kitu teh, ngan djěro manahna heran, ieu naon sababna, bĕt panas rasa diduruk, lir aja nu ngawisaja.

12. Ari aing rek měrědih, ka nu ngaran Gěndarata, djampe atawa pamake, aing teh era katjida, ku sabab geus kawêntar, jen aing unggul ti batur, pangawasa kagagahan.

13. Aing tinimbang mĕrĕdih, leuwih hade njorang pĕdjah, di tĕngah djalan lalakon, lantaran ku ieu panas, kitu tekadna Kumba, tina bawaning ku ĕmbung, kaungkulan kasaktian.

14. Tungtungna Aria Patih, wungkul nangkuban nangkarak, dina luareun papajon, ngutjul sindjang djeung raksukan, ngan kantun dilantjingan, ngibun andjeun dina djukut, batan damang anggur tambah. [ 100 ]15. Den Gěndarata kawarti, undjukan ka Kangdjěng Radja, bilih Gusti teu waspaos, wangkid ajeuna pun Kumba, di pamondokanana, udur parna sakalangkung, panas saluar ragana.

16. Amung mugi dampal, Gusti, ulah djadi kagěruhan, kědah pura-pura bae, api-api teu uninga, antěp montong dilajad, margina pikirna estu, sukěr kana dilandongan.

Pangkur

1. Sang Raraspedi ngandika, nu ku naon Ki Kumba Aringäring, udjug-udjug nandang udur, kawas anu kasibat, atawana kabadi ku ieu gunung, djeung hanteu geuwat bebedja, jen katěrap ku kasakit.

2. Tapi rebu kanuhunan, Arja Kumba Aringäring gěring, tangtu laksana nja maksud, hanteu aja halangan, muga-muga kasakitna masing tuluj, suganna djadi lantaran, laksana sakarěp ati.

3. Gěndarata ngawangsulan, tangtos pisan emutan abdi Gusti, pun Kumba udurna madju, těrkadang ka pajunna, tina parna moal tiasa lumaku, upami masih njarěngan, kalajan salira Gusti.

4. Marga ngemutkeun tjatjandran, anu djadi asal ieu pěrkawis, di gunung ieu tinangtu, apěsna Arja Kumba, ku pitulung tuduh djalan tjahja ngěmpur, totonden tereh těrbuka, ngadjait sěpah prawargi.

5. Margi eta ajeuna mah, kěrsa Gusti ulah seueur panggalih, amung tjěngěng ka Jang Agung, mundut kawiludjěngan, mugi-mugi enggal hasil sapanuhun, Sang Ratu ladjěng ngandika, rai ngiring sapanglahir.

6. Gantjangna ieu tjarita, Gěndarata djeung Ratu Raraspedi, saparantos guněm saur, sami kulěm sadaja, ngan wadia soldadu něpi ka isuk, taja nu sare saurang, pesta suka-suka ati.

7. Kotjapkeun ěnggeus isukna, Kangdjěng Radja ka Den Patih ngalahir, jen isukna isuk-isuk, haju urang marangkat, ladjěng bae Raden Patih urus-urus, nimbalan ka praponggawa, satria sarěng pěrdjurit.

8. Kotjapkeun deui isukna, geus ngaberes baris wantu rek indit, kitu deui Maha Ratu, djeung Raden Gěndarata, geus sarami tunggang gadjah si Gurundung, ngan kari ngantos tangara, mirěm ngadjurung indit.

9. Rahaden Aria Kumba, waktu eta tambah nandangan gěring, njongkab panas lir diduruk, ngan langkung-langkung kuat, udjag-adjig bawaning sieun kabitur, katara nadah kasawat, ku Sang Ratu Raraspedi.

10. Sarta geus nitihan kuda, pangpajunna hareupeun prapěrdjurit, [ 101 ]wantu senapati pupuh, njaksian pěpěrangan, tunggang kuda ngarendeng hanteu padjauh, sarěng Arja Pramadia, Patih Banuja nagari.

11. Gantjangna ieu tjarita, djěgur marjěm tanda ngadjurung indit, dibarung surak soldadu, ear ambal-ambalan, ladjêng mangkat ngaleut tina luhur gunung, nilar puntjak Selagala, Maha Ratu Raraspedi.

12. Rahaden Mas Gěndarata, hanteu pětot něněda ka Jang Widi, nunuhun ka anu luhung, něda katjipta njata, njipta djalan ka sabeulah kulon-kidul, nu aja tjahaja mubjar, kěrěsa Gusti Jang Widi.

13. Sapaněda kadjadian, ngěmbat djalan teu aja aling-aling, ka sabeulah kulon-kidul, keur djalan wadya balad, baris nudju kana tjahaja nu ngěmpur, dipalar supaja gampang, hanteu norobos nu rumbit,

14. Djalan teu kira hadena, ngabulungbung lěga sarta dikeusik, hanteu nandjak hanteu nutug, ngěbat taja pengkolan, kawuwuhan hanteu njorang pasir gunung, atuh hanteu djadi matak, raripuh wadya pěrdjurit.

15. Gantjangna ieu tjarita, djěngkarna teh Sri Nata Raraspedi, lamina ěnggeus saminggu, ti gunung Selagala, hanteu pisan njorang balai pakewuh, Ratu djeung wadia balad, pangasih Gusti Jang Widi.

16. Waktu harita geus dongkap, kana těgal djeung datar leuwih-leuwih, lěga kira rebu bau, nětělar leuwih lenglang, djeung ngaranna eta těgal Sulungtubu, sarta di těngah-těngahna, aja tangkal kai hidji.

17. Gěde hanteu aja bangsa, rupa-rupa daunna eta kai, aja nu hedjo nu wungu, nu hideung anu bodas, koneng paul gading kajas beureum bungur, ngaran kaju Langlangsona, disěbut ku nu tingali.

18. Sri Maha Ratu Banuja, seug nimbalan ka Raden Arja Patih, Pramadia anu estu, liren di eta těgal, tina sabab ningali ka kulon-kidul, tjahaja tea teu aja, musna ilang tanpa lěbih.

19. Těrus bae masanggrahan, beber mota tarapti tjara tadi, těmpat soldadu djeung Ratu, handapeun Langlangsona, ěnggeus beres wantu balad rebu-rebu, měta njieun pasanggrahan, baris Ratu Raraspedi.

20. Teu lami ladjěng ngandika, Maha Ratu ka Raden Arja Patih, ajeuna Ki Patih kudu, embarkeun ka ponggawa, djeung ka kabeh para wadia soldadu, poma-poma ulah pisan, ka luar ti djěro tangsi.

21. Karana ieu těgalan, goreng hawa matak djadi kasakit, sarta sangar langkung-langkung, kawantu saumurna, tara pisan aja anu kumawantun, ngambah kana ieu těgal, sabab sok matak kabadi.

22. Djeung kadua pěrkarana, peuting ěngke ulah aja nu wani, njieun laku nu teu puguh, tjara di Selagala, suka-suka najub těmbang běluk ngadu, di dieu mah ulah pisan, bisi kumaonam ahir.

**

[ 102 ]1. Arja Patih Pramadia, saparantos nampi lahir, teu lami njěmbah pamitan, rek ngembarkeun ka pradjurit, djeung ka ponggawa mantri, gantjangna anu ditjatur, geus nampi sadajana, dawuhan ti Arja Patih, sarta sami ngambangkeun kana panjaram.

2. Ratu sarěng Gěndarata, linggih sarta guněm warti, teu lami Ratu Banuja, ka Gěndarata ngalahir, tapi alon teu tarik, kang rai teu atjan maphum, tjahaja tuduh djalan, sabaraha poe deui, kana mangsa baris pitembongeunana.

3. Ngawangsulan Gěndarata, ka kěrsa Sang Sri Mahadji, pěrkawis eta tjahaja, pibidjileunana lami, emutan abdi Gusti, kantěnan sasasih langkung; kana bidjilna tjahja, tina marga eta Gusti, mugi sabar ngantosan di ieu těgal.

4. Saur Sri Maha Narpatya, kang rai mah amung ngiring, kana sakur kěrsa kakang, mung kang rai naros deui, margina tatjan sidik, tina kakara saumur, ngambah ka ieu těgal, naon ngaranna nu jakti, Sulungtubu sanggěm Raden Gěndarata.

5. Mariksa deui Sri Nata, ari ieu tangkal kai, naon ngaranna nu ěnja mana aneh-aneh teuing, kang rai němbe manggih, kai nu sarupa kitu, warna-warna daunna, gěde luhur taja tanding, sanggěm Raden Gěndarata Langlangsona.

6. Sarěng aja pangaruhna, měnggah ieu tangkal kai, sugri bangsa duruwiksa, siluman djin banaspati, hanteu aja nu wani, ngadeukeutan ieu kaju, ku panas pěrwatěkna, karasana teh ku djurig, mung kadjabi ku bangsa djin geus sampurna.

7. Djin anu njangking agama, ngadji wiwintjiking diri, anu wani ngadeukeutan, kana ieu tangkal kai, malah-malah paranti, měnggah ieu tangkal kaju, pangrungrungan kadjinan, anu geus njangking sadjati, anu nitis pangrasa karaspatian,

8. Ajeuna Gusti sumangga, mudjasmedi ka Jang Widi, supados tjahaja enggal, kana bidjil katingali, Maha Ratu ngalahir sumangga kang rai tumut, gantjang nu ditjarita, ladjěng Sang Sri Maha Adji, mudjasmedi sarěng Raden Gěndarata.

9. Dina djěro pasanggrahan, hanteu pisan bidjil-bidjil, katjatur Aria Kumba, tambah madjuna kasakit, leuwih-leuwih ti tadi, sasumping ka [ 103 ]Sulungtubu, djeung misah pasanggrahan, těmpat andjeunna pribadi, hanteu tjampur djeung sakabeh babaturan.

  1. Njalira di padjuaran, gulang-guling ku bawaning, ripuh ngaraos kasawat, dumugi sěring teu eling, eta Aria Patih, djeung taja nu ngagugulung, samalah harita mah, tina ripuh liwat saking, dugi bidjil sowantěn haharěgungan.
  1. Enggalna Aria Kumba, tina bawaning ku njěri, ladjěng ka Radja undjukan, bade njělang heula mulih, maksa nadjan teu idin, sarehna ngaraos ripuh, djeung eta Patih Kumba, boga timburu saeutik, panggěringna kawas nu diwisajaan.
  1. Namung ari saur Radja, estu moal mere idin, kana maksud njělang mulang, nadjan paman ripuh gěring, kula sanggup teh teuing, ngubaran masingna mulus, waras tjara biasa, barang Arja Patih nguping pangandika Sri Maha Ratu Banuja.
  1. Djeung katingal bubudenna, Maha Ratu Raraspedi, ku Aria Patih Kumba, hanteu aja pisan tawis, hawatoseun ka Patih, anggur sěmu bungah kalbu, kadjudi ku Den Arja, sarta njaur djěro galih, běněr pisan panjěta teu kasamaran.

Asmarandana

  1. Paingan těrěka aing, gěring lain samanea, tangtu wisaja nu sedjen, ajeuna ěnggeus pěrtela, budi Ratu Banuja, sěmu hanteu milu bingung, jen aing nandangan lara.
  2. Sidik manehna nu djail, ka aing ngahianatan, nu dipalar aing paeh, ngarah prang taja saksina, kitu deui manehna, njaram aing ulah wangsul, tangtu akalna eta mah.
  3. Ngarah aing těrus mati, lantaran teu dilandongan, ku Gusti Ambarak Katong, tatapi aing ajeuna, tinimbang hanteu kěbat, ka dajeuh Ambarak wangsul, kadjeun djadi kagorengan.
  4. Reudjeung Ratu Raraspedi, sanadjan gagah da budak, aing teu serab teu sěber, ku Ratu nagri Banuja, ajeuna arek maksa, panjarekna mo digugu, nadjan keukeuh ngahalangan.
  5. Arja Kumba Aringäring, saparantos kitu manah, seug piundjuk deui bae ka Maha Ratu Banuja, abdi Gusti ajeuna, mung rebu-rebu panuhun, Gusti kědah ngawidian.
  6. Sinarěngan abdi Gusti, nadjan hanteu diidinan, maksad bade
[ 104 ]maksa bae, kana něda njělang mulang, ngandika Sang Banuja, eh paman montong ngaběrung, kaula moal ngidinan.
  1. Sabab taja baris ganti, pikeun saksi kula pěrang, upama paman wangsul teh, tatapina hade pisan, paman rek njělang mulang, supaja ajeuna kudu, djongok pigantieunana.
  1. Sabab kula leuwih tigin, ka saur Ratu Ambarak, waktu samemeh iang teh, kula kudu disaksian, salengkah-satingkahna, kitu dawuhan Sang Ratu, kula teu bisa ngarobah.
  1. Patih Kumba Aringäring, nguping saur Sang Banuja, amběk sarta ngutjap njogok, Gusti lir lain dipatya, teu aja pangadilan, teu ngajun ka nu nunuhun, abong lain ka patihna.
  1. Na dikira abdi gimir, lampah maksa mědal sila, pajuneun pangkat bopatos, tong disěbut Arja Kumba, lamun aja kaserab, Sang Ratu barang ngadangu, kětjap Arja Kumba kasar.
  1. Ngahulěng hanteu ngalahir, wungkul ningal polah Kumba, ngomong djanggal sarta edeg, ngan Aria Pramadia, langkung-langkung pusingna, teu tata ngadjěngkat těrus, newak ka Arja Kumba.
  1. Didjědjěk djeung ditampiling, njiksa taja kaingětan, Aria Kumba ngalehleh, ripuh nahan dampal tangan, hanteu bisa ngalawan, wantu-wantu nudju udur, anu sakitu parnana.
  1. Eukeur mah gěring ti tadi, panas lieur nu karasa, katambah mabok ku tjabok, teu aja pisan dajana, disepak blak nangkarak, ditumbuk njuuh ngalumbuk, ditadjong gogolontjongan.
  1. Arja Kumba Aringäring, emut sarta terus ngutjap, dina sadjěroning hate, bo aing tiwas katjida, mun ditagěn ditahan, kadangkala moal hirup, disiksa ku Pramadia.
  1. Arja Kumba hanteu lami, tina teu bisa ngalawan, manahna ngelehan maneh, ti dinja trus bae ngědjat, lumpat sakuat-kuat, ka luar ti djěro panggung, djeung bari haharěgungan.
  1. Raden Pramadia gasik, njusul ka Aria Kumba, Kumba ditondjok, tidjongklok, tatapi bubuhan kuat, wantu-wantu nu gagah, hanteu něpi ka ngaringkuk, Kumba ku Den Pramadia.
  1. Arja Kumba Aringäring, saěnggeus datang ka luar, barang ditewak deui teh, emut ka adjianana, wantu tědak siluman, ngagurindjal sarta těrus, ngědjat kana djomantara.
  1. Ngapung satěngah teu eling, langlang-lingling sadjadjalan, Patih Banuja olohok, newak musuh kalesotan, langkung-langkung pusingna, těrus ngadeuheus ka Ratu, djěro panggung pasanggrahan.
  1. Njěmbah pajuneun Sang Adji, teu lami Ratu mariksa, djeung
[ 105 ]bari kaget pasěmon, ka mana ajeuna Kumba, si bangsat kurang adjar bět wani laku murugul, kawas lain ka Dipatya.
  1. Kaja pěrtitining iblis, tědak lampah duruwiksa, kětjap kasar omong songong, naha ku Ki Arja Patya, teu ditilas beuheungna, ditěwěk ku djimat duhung, sina modar ngababatang.
  1. Njěmbah ngawangsulan Patih, pěrkawis Aria Kumba, margi teu dipaehan teh, wirehing kabudjěng ngědjat, ngapung ka djomantara, Sri Maha Ratu ngadawuh, ka Aria Pramadia.
  1. Geus tangtu Kumba pupulih, ka Ratu Putiasukma, gěrnaka ngomongkeun goreng, sarta ěnggeus tangtu pisan, Ratu Putiasukma, běndu kadangkala njusul, ngalabrak ngabasmi urang.
  1. Tapi Ki Aria Patih, ulah kěmba kumapalang, nja kudu sadia bae, bisina Ratu Ambarak, datang njusul ka urang, urang lawan pěrang pupuh, nunggu di ieu tětělar.
  1. Pek ajeuna Arja Patih, ngadjaga masing iatna, gantjang Aria Patih mios, ngambangkeun dawuhan Radja, ngadjaga pasanggrahan, djeung marentah urus-urus, ka sadaja wadya balad.
  1. Maha Ratu Raraspedi, sarěng Raden Gěndarata, lalinggih di panggung bae, hanteu kěndat sasauran, Ratu ladjěng ngandika, sarta dibarung gumuju, ka Rahaden Gěndarata.
  1. Kumaha ieu pěrkawis, pasal Arja Patih Kumba, geus tangtu undjukan bae, ka Ratu Putiasukma, asal ieu pěrkara, geus tangtu ka urang njusul, Sang Ratu Putiasukma.
  1. Gěndarata hanteu lami, ngawangsul ka Sang Sri Nata, měnggah pangraos abdi teh, mugi ulah djadi rempan, sěber lěběting manah, kěrsa Gusti nu saestu, ku Ratu Putiasukma.
  1. Margi raos abdi Gusti, sanadjan Putiasukma, gagah digdjaja kasakten, moal tiasa njakětan, sumawontěn mun ngambah, kana těgal Sulungtubu, těmpat kai Langlangsona.
  1. Pinasti moal sak deui, Sang Ratu Putiasukma, ngababatang njorang paeh, ku pangaruh Langlangsona, nu mawi ajeuna mah, Kěrěsa Gusti panuhun, mugi ulah enggal djěngkar.
  1. Tina těmpat ieu kai, supados Putiasukma, kanděg njusul bade ngontrog, sieuneun ku Langlangsona, kadua pěrkawisna, ngantos tjahaja pituduh, djalanan kawiludjěngan.
  1. Amung raos abdi Gusti, pěrkawis eta tjahaja, aja kadjadian tangtos, lungsur tina djomantara, sumping ka ieu těgal, alusna pundjul ti batur, santosa pangawasana.
  1. Amung Gusti mugi-mugi, upami parantos dongkap, kědah hormat
[ 106 ]langkung sae, marga sanes samanea, eta nu bade dongkap, sěděng kana dipiguru, dipandang tulunganana.

Dangdanggula

1. Tunda heula Ratu Raraspedi, katjaturkeun Arja Patih Kumba, sanggeus datang ka luhur teh, aja di mega paul, dumadakan harita Patih, tjageur dadak sakala, teu panas teu landjung, sadatang ka awang-awang, Arja Patih liren di těngah wiati, njaur djěroning manah.

2. Oh pěrtela jen kasakit aing, wisajana Sang Ratu Banuja, bukti ngadak-ngadak hade, dumeh ěnggeus padjauh, djeung paingan Sang Raraspedi, ka aing njarek mulang, malar ulah djauh, supajana aing kěbat, gěring těrus sarta pinanggih djeung pati, tangtu kitu maksudna.

3. Ngan kumaha pilakueun aing, ari arek balik ka Ambarak, isin ku kěrsa Pagusten, nadjan aing piundjuk, netelakeun jen nandang gěring da puguh ěngeus djagdjag, ari arek njěbut, ditundung ku Sang Banuja, ěnggeus tangtu moal pěrtjantěneun Gusti, malah leuwih pusingna.

4. Tangtu njěbat naha wani-wani, njingkah dumeh aja panundungna, ti Sang Raraspedi Katong, kapan djadi gěgědug, dipěrtjaja njaksian djurit, ahir-ahir bět mulang, ku dumeh ditundung, tah eta geus tangtu pisan, Kangdjěng Ratu njeuseulna ka diri aing, těrkadang ngahukuman.

5. Ari arek aing balik deui, da geus musuh djeung Ratu Banuja, manehna nu goreng hate, těrkadang aing tangtu, ditěrapan deui kasakit, ku Sang Ratu Banuja, atawa diratjun, tatapina ajeuna mah, aing moal kana wani balik deui, sumawon ka Ambarak.

6. Ngan aing teh di dieu rek tjitjing, nunggu-nunggu Sang Ratu Banuja, aing arek malěs goreng, dina waktu prang pupuh, di nagara Riskomar pasti, di těngah medan pěrang, Sang Banuja tangtu, ku aing rek dipaehan, supajana kamashur Sang Raraspedi, pupus ku Sang Riskomar.

7. Arja Patih Kumba Aringäring, eta kitu pamaksudanana, rek malěs pati ngabokong, lěnggah di mega paul, sarta hanteu pětot ningali, Arja Kumba ka handap, kana těmpat musuh, nja eta Ratu Banuja, tunda heula Arja Kumba Aringäring, aja di awang-awang.

8. Katjaturkeun nu keur mudjasmedi, dina bulan Sang Ratna Suminar, ěnggeus opat puluh poe, mantěng ka Maha Agung, něda wahju pawarti sidik, nuduhan patěmpatan, nu arek didjugdjug, Sang Dewi [ 107 ]Pramanik tea, anu bakal ngadjait tina prihatin, ngahandjatkeun ti bahja.

  1. Tina langkung katiginan galih, turug-turug wěrat tatapana, hanteu, tuang hanteu ngarot, lami-lami dikabul, katurunan sora nu gaib, ka Sang Ratna Suminar, karungu kamaphum, basana eta soara, nu kadangu eh Ratna Suminar Njai, pěrkara pamaksudan.
  1. Hajang těpung djeung Dewi Pramanik, tangtu těpung tapi ajeuna mah, kudu djugdjug heula bae, ka těgal Sulungtubu, aja tjiri kai sahidji, ngaranna Langlangsona, gěde sarta luhur, daunna mangrupa-rupa, nja di dinja bakal njampak Raraspedi, Ratu nagri Banuja.
  1. Djeung guruna Gěndarata Rěsi, sabaladna araja di dinja, nandang lalakon prihatos, ti dinja maneh tangtu, baris manggih bedja nu sidik, těmpat Pramanik tea, nu arek didjugdjug, tapi maneh kudu pisan, daek nulung kasusahna Raraspedi, los maneh geura iang.
  1. Ngan sakitu sora nu kakuping, sarta langkung Sang Ratna Suminar, gumbira ngadangu wartos, warta teu lami těrus, Putri Ratna Suminar tanghi, ti těmpat palěnggahan, paranti tapakur, sarta Mantri padjarangan, katingali ku Sang Adjěng Aju Putri, ngalehleh kalaparan.
  1. Sarta těras disaur ku Putri, paman Mantri hajoh geura hudang, ulah bět ngalehleh bae, komo lamun satahun, kadangkala paman mah mati, lantaran kalaparan, ku dumeh tapakur, Mantri Ginggi ngawangsulan, atuh eta gamparan mah lami teuing, tapa teh kalêpasan.
  1. Beuteung abdi teu dieusi², wungkul angin dugi njaliara, njilisib pating seleket, Ratu Putri ngadawuh, eh wajahna mang Mantri Ginggi, sugan bae ahirna, kula bisa nulung, sagala kasusah paman, djalan paman bumela sarta gumati, ngadjaga diri kula.
  1. Djeung kumaha paman Mantri Ginggi, aja oge ilapat ka paman, bangsa pituduh nu aheng, beubeunangan tapakur, lamun aja geura pupulih, ka kula masing těrang, Ki Mantri ngawangsul, djisim abdi nampi pisan, sora tuduh ilapat ka djisim abdi, sarěng kieu basana.
  1. Mantri Ginggi maksud maneh pasti, kadjadian sarta salamětna, mangnědakeun Nji Putri teh, jen maksud hajang těpung, djeung nu ngaran Dewi Pramanik, tapi maneh sing bisa, nangkěp djuru těnung, bebet jaksa duruwiksa, anu ngaran Arja Kumba Aringäring, Patih nagri Ambarak.
  1. Buat ganti parabna wěrědjit, eusi kamar Djurung-padjarangan, panjiksan tjangkingan maneh, sabab ratjun teh pundung, kabur lunta ka anu těbih, ti Djurung-padjarangan, sababna nu estu, teu kuat ngahakan artja, ěnja eta Sang Pramajon Adji, Raden Purnama Alam.
  1. Mung sakitu saurna ka abdi, nu kakuping langkung-langkung
[ 108 ]těrang, ngandika deui Putri teh, ku sabab eta kitu, ajeuna mah nja urang indit, tuturkeun bae kula, ulah arek kantun, karana ajeuna kula, tjeuk pituduh kudu djugdjug gasik-gasik, ka těmpat Langlangsona.
  1. Njumanggakeun Mantri ka Sang Putri, gantjang djengkar Putri tina bulan, ngalajang dina lolowong, madju ka těmpat lajung, suat-seot bawaning tarik, ngoleang kaja hampang, laku anu ngapung, sarta minděng sumpang-simpang, djeung teu pětot rarat-reret ka nu buni, Putri Ratna Suminar.
  1. Ampir-ampir Ki Mas Mantri Ginggi, katinggaleun ku Ratna Suminar, tjape ngudag kesang ngotjor, Ratna Suminar langkung, nandang bungah nu leuwih², tina kenging těrbuka, tuduhan nu luhung, atuh angkat pakaulan, pělěsiran ngatjatjang di mega kuning, liren di mega bodas.
  1. Barang eukeur liren Ratuputri, katingali di sabeulah wetan, djauh kira aja sapos, aja nu keur lumaku, luntang-lantung dina wiati, Ratu Putri ngandika, sarta kaget kalbu, tjoba paman Mantri tingal, saha itu anu keur ngambah wiati, aja di madhab wetan.
  1. Barang ningal Ki Mas Mantri Ginggi, katingali sidik jen manusa, ngambah pěrdjalanan lowong, Mantri Ginggi piundjuk, jaktos anu ngambah wiati, ponggawa kamanusan, damělna ngalantung, mung duka gamparan saha, palangsiang piwarangan Kangdjěng Gusti, njusul lěnggah gamparan.
  1. Ratu Putri ngandika ka Mantri, tjoba atuh ku paman pariksa, sidikkeun sarta sing djongok, ku ku kaula ditunggu, hanteu lami Ki Mantri Ginggi, ngambangkeun ka dawuhan, ka wetan disusul, Ratna Suminar ngantosan, beulah kulon linggih dina mega putih, Mantri Ginggi teu lila.
  1. Barang gok teh Ki Mas Mantri Ginggi, hanteu samar ka Aria Kumba, wantu wawuh ti bareto, Patih Kumba kalangkung, nadang kaget djěroning ati, sarta těrus mariksa, ka nu karek tjunduk, eh Mantri Ginggi ti mana, kawas aja anu eukeur dipulisi, ka luar tina guha.
  1. Mantri Ginggi eling kana warti, tuduh tea waktu dina bulan, Kumba kudu pake gěntos, keur parab ratjun-ratjun, langkung bungah Ki Mantri Ginggi, dumeh Kumba kapěndak, teu lila ngawangsul, sartana sugal katjida, pokna sukur ajeuna maneh pinasti, ku kami rek dibanda.
[ 109 ]1. Raden Arja Patih Kumba, langkung kaget ngupingkeun Mantri Ginggi, gidir sarta rumandjug, waosna kěkěrotan, raraj beureum bawaning ku langkung běndu, sotjana buburilěngan, bari měta těrus singkil. 2. Aria Kumba teu tata, tina langkung pusing ka Mantri Ginggi, udjug-udjug djěkuk numbuk, keuna kana taarna, Mantri Ginggi ngabangkieung rada landjung, teu lila gantjang malěsan. Ki Mantri djěbet nampiling. 3. Kumba rada katorekan, wantu-wantu nu keuna lěbah tjěpil, barang ěnggeus emut těrus, Patih Kumba malěsan, djěkuk meupeuh nudju kana iga burung, karasa parna katjida, Mantri Ginggi rada ngidjing. 4. Malěs Ginggi njepak mamas, Arja Kumba raos njeleket njěri, malěs ngadjědjěk harigu, sarua pada kuat, sili tadjong sili balang sili tumbuk, teu aja anu kasoran, Kumba reudjeung Mantri Ginggi. 5. Sang Adjěng Ratna Suminar, langkung-langkung kaget lěběting galih, jen ningal ka nu keur tarung, njaur djěroning manah, aeh naha Mantri Ginggi těrus gělut, asal dititah mariksa, tuluj rusuh sili-banting. 6. Palangsiang eta djalma, djurudjana gawena tukang maling, alur ngundeur umur batur, aja di djumantara, djeung pěrtela paman Mantri anu ripuh, kaběrěg taja tempona, kasoran ku bapa maling. 7. Ratna Suminar teu lila, ladjěng djěngkar rek nulung Mantri Ginggi, lir kilat bawaning rusuh, barang tjakět tetela. Ratu Putri teu pisan samar nja kalbu, Kumba papatih Amabarak, nu tarung djeung Mantri Ginggi. 8. Ratna Suminar teu tata, djol kěrěwěk newak tjěpilna Patih, bari ditjěntok ka pungkur, sartana ditanganan, barang djěbet Kumba ku Sang Putri Aju, ditampiling kapiuhan, ngoleang tina wiati. 9. Kumba lir kalakaj ragrag, hanteu eling muntir dina wiati, ku Mantri Ginggi disusul, maksud rek dipaehan, Arja Patih ngoleang teu emut-emut, bawaning langkung matihna, panangan Sang Ratu Putri. 10. Dumadakan Arja Kumba, měněr pisan ragragna ti wiati, kana těgal Sulungtubu, njangsang di Langlangsona, Raraspedi, waktu harita keur nudju, sarěng Raden Gěndarata, Raden Pramadia Patih. 11. Di handapeun Langlangsona, sami linggih dina korsi keur niis, [ 110 ]kira lohor pukul satu, sami kaget sadaja, sarta pada taranggah ningal ka luhur, sabab aja nu ngagobras, dina Langlangsona kai. 12. Katingal ku Sang Sri Nata, sidik pisan Ki Kumba Aringäring, njangsang dina dahan kaju, Ratu ladjěng ngandika, tjoba Patih geuning Arja Kumba itu, njangsang dina Langlangsona, bět ragrag tina wiati. 13. Tapi kawas paeh misan, tina sabab ngadjěhdjěr hanteu usik, tjoba nitah buru-buru, sina ditaraekan, Raden Patih njaur Mantri djagasatru, miwarang ngabantun Kumba, tina dahan eta kai. 14. Hanteu lila Arja Kumba, seug digotong ku kabeh para mantri, ti luhur ditjandak turun, barang ěnggeus ka handap Arja Kumba ngalehleh teu emut², ngan ěmpes-ěmpes ngamběkna, pajuneun Sang Raraspedi. 15. Barang keur pada ningalan, Adjěng Ratna Suminar ěnggeus sumping, nu ngiring Ginggi ti pungkur, ka těmpat Langlangsona, sarta ngaděg pajuneun Sang Maha Ratu, tandang teu aja karempan, ningali ka Raraspedi. 16. Sang Maha Ratu Banuja, djeung sakabeh ponggawa patih mantri, kaget ningal anu tjunduk, sarta patingal-tingal, tingharewos pada njěbut saha itu, sumawonna Sang Banuja, hookeun hěnteu ngalahir. 17. Nja kitu Ratna Suminar, rurut-reret taja nu ditingali, bari njaur lěbět kalbu, nja ieu palangsiang, ngaran kai Langlangsona Sulungtubu, pituduh ti patapaan, kawasna moal sak deui. 18. Reudjeung eta tangtu pisan, anu ngaran Sang Ratu Raraspedi, nu disěbut ku pituduh, sarta ieu kaina, sidik gěde luhur rupa-rupa daun, tjing ku aing rek ditanja, bisi ěnja Raraspedi. 19. Gantjangna Ratna Suminar, papariksa ka Ratu Raraspedi, dangah sarta basa luhur, wantu-wantu adatna, Ratu Putri tara nganggo tindak-tanduk, těrěgěs basana kasar, nadjan ka para bopati. 20. Eta paman nu ti mana, kawas-kawas pangkat bangsa bopati, ngarungrung di těgal liwung, lalakon masanggrahan, kawas anu keur nandang bantjang-pakewuh, milampah nilar nagara, tjoba kula menta warti. 21. Teu lami Ratu Banuja, ngawalonan ngan kěder galih, wantu kakara saumur, měndak nu kurang tata, songong běngong tapi geulis matak lutju, saurna Ratu Banuja, paman teh jaktos Bopati. 22. Ratu di nagri Banuja, kabawahan Ratu Ambarak nagri, ari margana ngarungrung, di dieu masanggrahan, paman eukeur ngambangkeun dawuhan Ratu, Sri Maha Putiasukma, ka paman nimbalan indit. 23. Nangkěp Sang Ratu Riskomar, nu djěněngan Sang Pramajon Narpati, kědah ditigas dibunuh, dupi nu djadi marga, Sang Pramajon [ 111 ]tjidra ka kěrěsa Ratu, Putiasukma Ambarak, djalanan Siti Kaswati. 24.  Parantos dipatjang-patjang, ka putrana Sang Riskomar nagari, rudjuk sěpuh pada sěpuh, djěněngan paměgětna, nu kamashur Purnama Alam saestu, tapi Sang Purnama Alam, ahir-ahir djadi nampik. 25.  Turug-turug Sang Purnama, eukeur tjídra bět tuluj boga rabi, ngabokong ti kěrsa Ratu, ka awewe nu lian, eta kitu djalanna margi dirurug, nja paman nu didjurungan, ku Sang Putiasukmadji. 26.  Malah paman disaksian, ku patihna Ki Kumba Aringäring, sarěng nganggo taruh umur, lamun paman kasoran, ěnggeus tangtu dihukum pati ku Ratu, pangadilan Sang Ambarak, kitu anu geus dipasti. 27.  Amung Arja Patih Kumba, barang dongkap ka ieu tégal gěring, sarěng ripuhna kalangkung, ka paman permuhunan, Patih Kumba maksud njělang heula wangsul, ku paman teu diidinan, marga hěnteu aja ganti. 28.  Baris kana saksi pěrang, anu bakal nangen unggul djeung sisip, mung Arja Kumba murugul, hanteu kenging ditjaram, anggur tuluj kětjap kasar mawur tjatur, kaja lain ka Dipatya, tjara tata onom djurig.

●●


Sinom

1.  Barang keur ngomong susumbar, Patih Kumba Aringäring, ku Aria Pramadia, ditjèkěl těrus dibanting, bubuhan ieu Patih, ngingětkeun bela ka ratu, tapi Aria Kumba, saenggeusna ditampiling, těrus bae ngědjat kana djomantara.

2.  Atuh paman hanteu kebat, mios ka Riskomar nagri, marga taja Arja Kumba, nja těrus di dieu tjitjing, bawaning susah ati, djadi rasa buntu laku, tapi ajeuna heran, ieu Kumba Aringäring, udjug-udjug ragrag tina awang-awang.

3.  Njangsang dina Langlangsona, ngadjěhdjěr teu usik-usik, ruksak saluar ragana, paman tambah susah ati, tangtu sangka Sukmadji, paman anu boga laku, ngaruksak Arja Kumba, njangka ěmbung make saksi, tah geus tangtu kitu mamanahanana.

4.  Saha nu bade nulungan, ka diri paman pribadi, lamun Sang Ratu Ambarak, bendu sarta ngarah pati, ka diri paman jakti, sarěng ka mana nja njumput, upami Sang Ambarak, kěrsana ngahukum pati, tah sakitu paman teh nja kasusahan.

5.  Sang Adjeng Ratna Suminar, gumudjěng bari ngalahir, paman [ 112 ]lir lain Dipatya, bět boga hate djědjěrih, nadah seber teu wani, ka Ratu nu pangkat kitu, ngaran Putiasukma, paman lir lain lalaki, kapan paman Bopati kasenapatyan.

6. Tatapi ari ěnja mah, hate paman hanteu wani, ka ngaran Putiasukma, kaula sanggup teh teuing, ka paman nja ngadjaring, nulung sagala kabingung, malar kasalamětan, salira paman sajakti, djeung sakabeh wadia para ponggawa,

7.  Ngan kula aja pamenta, mungguh ka paman pribadi, ku sabab lantaran kula, pangbidjil ti puser bumi, pěrělu leuwih-leuwih, dua pěrkara nja maksud, kahidji ěnja eta, nangkép Kumba Aring-äring, kaduana aja anu diteangan.

8.  Bangsa istri kamanusan, djěněngan Dewi Pramanik, nu geus njangking kadewian, istri pangkatna sadjati, nu matak dipilari, kula teh nandang kabingung, hal pěrkara masalah, nu rumbit di djěro ati, sisip budi kaula tatjan mirasa.

9.  Bawaning ku nandang susah, kula těrus mudjasmedi, něněda asihing Dewa, nitiskeun lantip nja budi, ka kaula pribadi, ku bawaning kula tuhu, kadatangan ilapat, soara tan katingali, netelakeun nu bakal bisa nulungan.

10.  Pramanik djěněnganana, anu kudu dipilari, di dunja kamanusaan, tah eta kitu panglahir, ku kula nu kakuping, pituduh ti bangsa luhung, anu matak ajeuna, kula neangan Pramanik, di wewengkon alam dunja kamanusan.

11.  Ajeuna tatjan kapěndak, nu matak kula měrědih, mungguh ka paman Dipatya, kula bantuan milari, nu djěněngan Pramanik, upama parěng katimu, asal tuduhan paman, kaula di ahir pasti, salawasna ngaběndung kabingung paman.

12.  Djeung bisi paman teu těrang, ka diri kula pribadi, kula ti Tolongtělěngan, ama kaula Narpati, Sang Sri Maha Saksari, mangkurat bumil pingpitu, Ratu bangsa kadjinan, djeung ngaran kula nu jakti, nu katělah Sang Adjeng Ratna Suminar.

13.  Ratu Banuja ngandika, pěrkawis nu dipigalih, montong djadi kasěsahan, ngilari Dewi Pramanik, paman sanggěm teh teuing, mung paman aja piundjuk, ajeuna mangga lenggah, urang barěmpag nu jakti, dina panggung palalangon pasanggrahan.

14.  Walon Sang Putri sumangga, gantjangan těrus lalinggih, dina djěro pasanggrahan, sami linggih dina korsi, Putri djeung Raraspedi, Gěndarata hanteu kantun, dina korsi satata, kawantu geus pangkat rěsi, sěsépahna panarosan Sang Banuja. [ 113 ]15. Ari eta Patih Kumba, digotong ku para mantri, diteundeun dina tempatna, urut manehna pribadi, hanteu usik teu malik, ngadjěhdjěr teu emut-emut, ukur aja njawaan, didjaga ku para mantri, bisi ingět kabur lunta ka nu anggang.

16. Katjatur Ratna Suminar, sareng Ratu Raraspedi, ka tiluna Gěndarata, Pramadia Mantri Ginggi, anu di handap tjalik, marando pajuneun Ratu, di djero pasanggrahan, nja eta keur guněm warti, Raraspedi anu ngawitan ngandika.

17. Paman njusul pangandika, ka kěrsa Sang Adjěng Putri, pěrkawis ngěrsakeun djěngkar, ngilari Dewi Pramaník, měnggah Sang Adjěng mugi, ajeuna kědah barěmpug, malar kawiludjěngan, sareng pun lantjeuk sajakti, ěnja ieu wasta Raden Gendarata.

18. Kantěnan ieu nu terang, ka těmpat Dewi Pramanik, sumangga geura pariksa, Ratna Suminar ngalahir, ka Gěndarata rěsi, tjing paman geura pisaur, masing terang ka kula, tempatna Dewi Pramanik, nagri mana mun di gunung gunung mana.

19. Hanteu lami Gendarata, ngawangsul ka Ratuputri, Dewi Pramanik lěnggahna, ti dieu kalangkung těbih, moal dongkap sawěngi, di puntjak gunung Binarum, ngulon-ngidul pěrnahna, těmpat patapaan istri, paměgět mah tjěgahan djarah ka dinja.

20. Upami aja nu maksa, ka těmpat Dewi Pramanik, lalaki maksudna djarah, gunungna ngadadak leungit, ngadjadi leuweung rumbit, tempat sato-sato wungkul, běrhala sato hewan, singa maung oraj matih, badak adjag bagong banteng djeung biruang.

21. Sang Putri deui ngandika, susah těměn kula indit, lamun taja nu nganteur mah, ka těmpat Dewi Pramanik, ku bangsana lalaki, karana kula teu maphum, dina lěbah-lěěbahna, gunung Binarum nu jakin, ngaranna ge kakara terang ajeuna.

22. Lamun hanteu dianteur mah, ku diri paman pribadi, geus tangtu kaula sasab, těrkadang moal kapanggih, nadjan saumur hurip da taja nu mere tuduh, ari arek neangan, awewe anu tingali, baris batur nu purah nuduhkeun djalan.

23. Kula taja kawawuhan, djeung bangsa manusa istri, njaba ge němbe ajeuna, ka wewengkon kolong langit, mun teu djeung paman Ginggi, kula tangtu uprak-apruk, ku sabab eta kula, rek keukeuh bae měrědih, ka paman teh ngenta piakaleunana.

●●

[ 114 ]

Asmarandana

1.  Supaja kula pinanggih, laksana nja pamaksudan, djeung Dewi Pramanik amprok, tjing atuh kuma' pětana, kula menta kamandang, pituduh anu saestu, djalanna ka gunung eta.

2.  Djeung pikir kula pribadi, leuwih hade njorang wapat, tinimbang hanteu paamprok, anu dimaksud ku kula, Dewi Pramanik tea, kitu tekad kula estu, bawaning tigin kahajang.

3.  Gěndarata hanteu lami, ka Sang Putri ngawalonan, gamparan upami jaktos, marga katiginan manah, ajeuna sae pisan, mung abdi gaduh piundjuk, měnggah ka lenggah gamparan.

4.  Gamparan ajeuna mugi, kědah djěngkar ka Riskomar, ka Ratu Dewa Pramajon, tjarioskeun ku gamparan, Ratu Putiasukma, kěrsana bade ngarurug, ngabasmi dajeuh Riskomar.

5.  Gamparan teh kědah djangdji, sanggěm nulung ka andjeunna, nangkěp Sang Put'a Katong, ngabasmi wadya-baladna, tapi gamparan kědah, aja tandjakan pamundut, ka Ratu nagri Riskomar.

6.  Kědah mundut hidji istri, djenengan Dewi Kania, minantu andjeunna jaktos, garwa Sang Purnama Alam, ku sabab moal aja, nu terang gunung Binarum, djabi ti Dewi Kania.

7.  Barang Ratuputri nguping, piundjukna Gěndarata, langkung-langkung tampi raos, aja manah disindiran, ku Raden Gěndarata, tumungkul barina imut, djeung njaur djěroning manah.

8.  Kawas-kawas lampah aing, katangen ku Gěndarata, bukti mere silib bae, nitah ka nagri Riskomar, lěmbur Purnama Alam, laku aing teh kabitur, jen keur nandang kaedanan.

9.  Tatapina kadjeun teuing, tinimbang hanteu laksana, arek dilampahkeun bae, era-era ge wajahna, ku ieu Gěndarata, sakětjapna rek digugu, suganna djadi lantaran.

10.  Ti dinja těras ngalahir, pěrkara kula dititah, něpungan Ratu Pramajon, moal burung kula iang, ka nagara Riskomar tapi kaula panuhun, subaja ka sarerea.

11.  Eta Kumba Aringäring, mihape saheulaanan, djaga masing hade-hade, bisi ingět tuluj leupas, kabur ka anu anggang, sabot kaula lumaku, ka dajeuh nagri Riskomar.

12.  Sang Raraspedi ngalahir, lah atuh pun paman sěsah, ditilar ku [ 115 ]Adjěng Putren, kapan tadi geus undjukan, risi kabudjeng dongkap, Sang Putiasukma njusul, maksad ngaruksak ka paman.

13.  Kadua paman teh risi, kumaha mun Arja Kumba, ingět ngoredjat ngaleos, kabur teu kenging ditewak, atawana ngalawan, ngamuk ka wadya soldadu, tangtos paman njorang tiwas.

14.  Katilu pěrkawis deui, risi angkat kalamian, paman kěsěl ngantos-ngantos, ku margi tatjan kantěnan, lamina di Riskomar, kuma' mun dugi sataun, teu sumping ka ieu těgal.

15.  Tangtos djadi sèsah leuwih, tina kalamianana, ngantos-ngantos Adjěng Putren, sakieu seueurna balad, tangtos seep běkělna, sakitu paman kabingung, upami lami ditilar.

16.  Ratna Suminar ngalahir. paman montong djadi sěsah, risi si Kumba ngaleos, Mantri Ginggi nu ngadjaga, ku kula 'mo dibawa, sina djadi djuru tugur, samemeh kula datang mah.

17.  Kadua pěrkara deui, montong semang kurang těda, baris rangsum balad kěten, ieu kula mere djimat, ali Si Padaringan, pangaruhna sapamundut, naon-naon kadaharan.

18.  Saupama henteu mahi, beas buat těda balad, kana ali ngaharewos, menta beas sakumaha, moal burung ajana, nadjan samaliun karung, tangtu bae kabuktian.

19.  Top ku paman teh pimilik, kula sědja mere mutlak, kudu pake sapopoe, Sang Raraspedi kalintang, bungah nampi pasihan, sarta bari njaur nuhun, ka Putri Ratna Suminar.

20.  Putri ladjeng njaur deui, ka Ratu nagri Banuja, kula rek ajeuna bae, indit ka nagri Riskomar, sarta ka sadajana, menta pandunga rahaju, laksana sapangarěpan.

21.  Reudjeung paman Mantri Ginggi, sabot ku kula ditilar, ngadjaga sing hade-hade, ulah rek katjampolehan, ngadjaga Arja Kumba, bisi kabur susah njusul, wantu bebet duruwiksa.

22.  Barang geus tamat wawarti, Sang Adjěng Ratna Suminar, tina panggung palalangon, bělěsat ka djomantara, njalira taja rentjang, geus tjunduk ka mega paul, djalan lowong nintjak topan.

23.  Namung manahna Nji Putri, harita rada kawědan, sarehna kurang talete, naros ka Radja Banuja, na di mana pěrnahna, nagri Riskomar nu tangtu anu rek didjugdjug tea.

24.  Tungtungna ladjěng ngalindjing, ngalajang di mega malang beurang peuting hanteu liren, sarta teu pětot nigalan, ti wiati ka handap těgal gunung darat laut, katingal ti djomantara.

25.  Tunda heula Ratuputri, nu keur ngalanglang buana, malikan deui [ 116 ]tjarios, kotjap Sang Maha Narpatya, Ratu nagri Riskomar, harita nudju běrhimpun, magělaran di paměngkang.

26. Sakabeh para bopati, bawah parentah Riskomar, djeung Arja Mantri kaliwon, hempak pajuneun Sri Nata, ari nu djadi pasal, běrhimpun guneman saur, sadaja para dipatya.

27. Hanteu aja sanes deui, amung ku kewuhan manah, Sri Maha Ratu Pramajon, dumugi djadi teu damang, bawaning ku baluas, liwung mangpaung ning kalbu, purwa kedanan ku putra.

28. Hanteu lami Sang Narpati, ngandika ka sadajana, para aria bopatos, sarta bari tjumalimba, ajeuna ka sadaja, para Bopati Tuměnggung, anu hadir di paměngkang.

29. Sumědja hatur tingali, malar sami aruninga, marga sami diangkir teh, ka karatoning Riskomar, sědja rek rěrěmpagan, hal nu djadi marga ewuh, wiwitan Purnama Alam.

30. Leungit musna tanpa lebih, murtja něpi ka ajeuna, disirat ka saban katong, sami walonan teu aja, estuning matak heran, ku leungit teu puguh-puguh, ti djěro karang kaputran.

31. Tatapi aja nu leuwih, nu njusahkeun kana rasa, leuwih ku anak pribados, nunggarakeun karentagan, asal kahandjakalan, kaduhung něpi ka liwung, rasa poek bumi-alam.

32. Wiwitan katarik iblis, kagoda rantjana setan, kadjurung ku napsu goreng, lantaran ku kareuwasan, leungit Purnama Alam, terus ganggu, nundung mantu, si Njai Dewi Kania.

33. Kaduhung teuing diusir, dibuburak ti nagara, ajeuna karasana teh, lamun aja si Njai mah, moal rasa teu aja, si Udjang Purnama Sunu, ku sabab aja bodjona.

34. Ajeuna rasaning ati, leuwih-leuwih tina nista, marga tunggara nja hate, ras ka mantu ras ka anak, terkadang tutulujan, baluas tumuluj udur, njorang kana baja wapat.

●●

Dangdanggula

1. Boga rasa palangsiang diri, njorang pati ku lantaran susah, kaedanan ngaganggajong, ku anak djeung minantu, ngan ajeuna rek měrih pati, ka sadaja prawarga, bopati tuměnggung, sugan sami lědjar manah, sědja menta pertanda wareělas asih, ka nu djadi Narpatya.

2. Pangnjungsikeun ka saban nagari, Ki Purnama djeung Njai Kania, [ 117 ]sawěwěngkon dunnja bae, di daratan di laut, lamun enggeus sidik marati, sing kapanggih majitna, Kania djeung Sunu, sukur mun masih hirup mah, geuwat bawa urang selehan sakali, Purnama karadjaan.

3.  Sadajana tuměnggung bopati, njumanggakeun ka Ratu Riskomar, jen bade ngambangkeun bae, ngilari Radja Sunu, sawěwěngkon buana bumi, dina poe isukan, anu geus ditangtu, djěngkarna para dipatya, katjaturkeun aja sahidji bopati, dina eta riungan.

4.  Ratu sěpuh nagri Rubulbani, kakasihna Sang Dewa Durpina, piundjuk ka Sang Pramajon, rama Dalem piundjuk, manawina kérésa nampi, sareng pertjantěn manah, ka tuturan buhun, tjatjandran ti nini mojang, saupami maksad indit nilar bumi, aja nu díteangan.

5.  Kědah pisan daměl amit-amit, ka sadaja sangiang-sangiang, para kadewan kaděwen, sareng ka Sang Rumuhun, ka Batara djeung ka Batari, njuhunkeun totondenna, geusaning rahaju, ka mana buat nja lunta, anu tereh kapanggih nu dipilari, kitu sanggěm tjatjandran.

6.  Nganggo sarat anu geus dipasti, njeungeut kukus tingali haseupna, ka mana tjondongna bae, upami tjondong ngidul, kědah ngidul urang nja indit, upami tjondong ngetan, wetan kědah djugdjug, ka mana bae tjondongna, jen pěrkawis nuduhkeun nu dipilari, tangtos gampil kapěndak.

7.  Sang Sri Maha Pramajon ngalahir, rebu nuhun aja pasaratan, tangtos didjalankeun bae, amitan ka nu luhung. amung sěsah teu aja malim, nu bisa permuhunan, ka sangiang luhung, da tangtos aja du'ana, da mustahil wungkul kukus měnjan putih, ngěbul teu didoaan.

8.  Maha Ratu Durpina ngalahir, rama Dalěm sanggěm ngadoaan, mangga sajagikeun bae, parabot baris ngukus, parukujan djeung měnjan putih, bade ngukus ajeuna, těngah alun-alun, mung rama Dalēm sorangan, montong nganggo batur ku margi pamali, wantu doa rasiah.

9.  Gantjangna teh harita sajagi, nu dianggo parukujan kantjah, djeung měnjanna satolombong, Sang Durpina geus lungsur, djeung diiring ku mantri hidji, sarta teu lami tēras, Sang Durpina ngukus, těngah alun-alun pisan, barang bul teh eta haseup měnjan putih, henteu aja tjondongna.

10.  Wungkul lempeng tjěpět ka wiati, ngabělegběg teu aja dengdekna, kana djumantara notog, kaget Sang Ratu dukun, haseup wungkul kana wiati, taja pisan tjondongna, Sang Durpina těrus, mulih ka gědong paměngkang, ka sadaja para tuměnggung bopati, nu sami di paměngkang.

11.  Sadajana tumenggung bopati, kana haseup sami naringalan, sarta pada manah kaget, haseup wungkul ka luhur, hanteu aja tjondong saeutik, Sang Riskomar ngandika, ka para tuměnggung, naha bět taja tjondongna palangsiang barudak aja di langit, susah těměn njusulna. [ 118 ]12.  Sang Durpina teu lami ngalahir, Dampal Dalēm ulah waka rempan, nja sugan dengdekna engke, mung ulah waka gěruh, rusuh nuding aja di langit, antaraan sakědap, sugan laun-laun, katingal aja tjondongna, ajeuna mah antos ku sadaja mugi, dina antara sadjam.

13.  Sadajana tumenggung bopati, kana haseup henteu pětot ningal, keukeuh ngantos2 tjondong, tunda para tuměnggung, katjaturkeun Sang Ratu Putri, Adjeng Ratna Suminar, nu aja di luhur, keur lěnggah di mega-malang, saluhureun dajeuh Riskomar nagari, bari ningal ka handap.

14.  Katingali sidik jen nagari, hanteu lungsur tina semang manah, aringgis nagari sanes, lain nu rek didjugdjug, kitu manah Sang Ratu Putri, tungtungna seug sasambat, ka Pangeran Sunu, duh Gusti Purnama Alam, mugi-mugi lědjar galih wělas asih, ka abdi anu hina.

15.  Anu lintang maas sisip budi, něda tulung di mana lěbahna, Riskomar nagri Gusti teh, ku abdi rek didjugdjug, tina abdi kalintang tigin, kana maksad laksana, ka Gusti mituhu, dunja dumugi aherat, nadjan hanteu katampi kalajan asih, moal kanděg bumela.

16.  Barang eukeur sasambat Sang Putri, haseup kukus dongkap kana mega, mulěk maběk ku wawangen, ku Sang Putri kaambung, langkung sěděp ngangseu wawangi, sartana ngawuwuhan, kana lěbět kalbu, sumědot ka Radjaputra, kahojongna kana enggal damang deui, salira Sang Purnama.

17.  Sarta langkung nandang kaget galih, tina sabab ngangseu seuseungitan, sarta haseup mulěk nodjo, ka salira Sang Aju, barang hantěm disidik-sidik, ditingali ka handap, pěrtela bět kukus, ti djěro eta nagara, Ratu Putri njaur salěběting galih, bari ningal ka handap.

18.  Ěmh paingan seungit ngadalinding, da pěrtela ti djěro nagara, nu boga lampah ngukus teh, di tengah alun-alun, kawas anu djadi narpati, anu boga alpukah, ngarawun ku kukus, djalanan meunang kasusah, eukeur něda sih pitulunging Batari, njambat para Dewata.

19.  Eta kukus geus moal sak deui, sarta tangtu beunangna tatanja, ti adjar nu leuwih kahot, alpukah anu kitu, atawana adjar pribadi, anu datang ka dinja, diogan ku Ratu, buat něda ka Dewata, sarta tangtu moal samanea rěsi, diangkir ku narpatya.

20. Pasti rěsi nu gunawisakti, geus kamanah ku para narpatya, sipat masälah nu aheng, tapi aing pěrělu, turun heula ka eta nagri, laladjo nu keur njambat, ka bangsa nu luhung, wajahna nahan kaera, reudjeung sugan aja pangaku ka aing, anu djadi Narpatya.

21. Lamun ngaku aing rek měrědih, menta tuduh di mana lěbahna, ngaran Riskomar karaton, barang geus njaur kitu, Ratu Putri tina wiati, [ 119 ]těrus bae ka handap, moro kana kukus, di alun-alun Riskomar, hanteu lami sumping ka handap Sang Putri, ěnggeus ngadampal lěmah.

22.  Kana kukus teu pětot ningali, djeung gumudjeng ningal parukujan, ku santosa kantjah gede, sarta Sang Putri Aju, rurut-reret djeung ulak-ilik, hanteu aja djělěma, dina alun-alun, ngan wungkul ti kaanggangan, tina marga ku kěrěsa Sang Nartpati, dilarang ngadeukeutan.

23.  Sadajana nu sami ningali, para mantri sarta hulubalang djagasatru prakaliwon, pada kaget kalangkung, aja putri turun ti langit, sarta leuwih endahna, ngadeukeutan kukus, katjatur Ratu Riskomar, djeung sadaja para tuměnggung bupati, nu lenggah di paměngkang.

24.  Sami ngaděg hookeun ningali, tina langkung karageteun manah, sarta teu pětot malèntjrong, ka téngah alun-alun, aja putri turun ti langit, njampeurkeun parukujan, Sang Riskomar njaur, ka Raden Aria Patya, tjoba Patih pariksa masingna sidik, bět djiga Nji Kania.

25.  Hanteu lami Raden Arja Patih, ladjeng djěngkar ti gědong paměngkang, rek něgěskeun ka putri teh, hanteu lami geus těpung. Arja Patih sareng Sang Putri, tatapi Raden Arja, ningal Raden Aju, teu kira² kagetna, sarta langkung sumiak lěběting galih, nandangan keder manah.

26.  Ratu Putri ningali ka Patih, tandang dangah teu aja kabingbang imut djeung teu pětot měntjrong, teu lami ladjeng njaur, eh andika kawas papatih, pagawe di nagara, Den Patih ngawangsul, jaktos paman teh Aria, kawasana Djeng Gusti Maha Narpati, Ratu ieu nagara.

27.  Sawangsulna sědja naros deui, tina paman němbean patěpang, na saha ari andjeun teh, wawangi nu kasebut, sinarengan ti mana bumi, naon anu dimaksud, anu mawi tjunduk, měnggah ka ieu nagara, Ratu Putri ka Raden Aria Patih, gantjang seug ngawalonan.

28.  Kula nuhun ditanja ku Patih, hal pěrkara rumah-tangga kula djeung nanja ngaran nu sohor, kaula anu estu, ti nagari pusēring bumi, dajeuh Tolongtělěngan, ngaran kula estu, Sang Adjeng Ratna Suminar, Ratu ing rat Děndakalangěnansari, Guha Karang-panjiksan.

29.  Rama kula Sri Maha Narpati, kakasihna Maha Saksaria, di puser bumi ngaraton, ari anu dimaksud, pang kaula ka ieu nagri, kula hajang manggihan, ka nu djadi ratu, ku paman ajeuna geuwat, pangbedjakeun ka ratu ieu nagari, kaula maksud ngandjang.

30.  Arja Patih nguping saur Putri, langkung kaget ku tina kakara, měndak nu songong bělěngong, tungtungna langkung-langkung, Patih gimir ku Ratu Putri, dugi pupuringkakan, sisiakan punduk, sarta teu lami Den Arja, njumanggakeun kana timbalan Sang Putri, gantjangna ka paměngkang. [ 120 ]31.  Geus ngadeuheus ka Sang Maha Adji, sarta tĕras Rahaden Aria, piundjuk anu pĕrlente, pĕrkawis Putri itu, ku sim abdi Gusti pribadi, parantos dipariksa, wasta sarĕng lĕmbur, dupi pisanggĕmanana, tĕbih pisan ti Tolongtĕlĕngan nagri, dajeuh di sapatala.

32.  Ratu Putri Dĕndalangěnsari, kakasihna Sang Ratna Suminar, putri Sang Saksari Katong, nagri bumi pingpitu, sarĕng margi ka dieu sumping, saurna hojong tĕpang, kalajan 'Djĕng Ratu; kitu katĕranganana, hanteu lami Ratu Pramajon ngalahir, ka eta Raden Arja.

33.  Djeung ka kabeh tumĕnggung bopati, atuh geuwat papag ku sadaja, tatamu Ratu Pinutren, gantjangna nu ditjatur, sadajana para bopati, mapag Ratna Suminar, brul ka alun-alun, Sang Ratu Putri was-pada, ka sadaja para tumênggung bopati, jen mapag ka andjeunna.

34.  Sang Durpina nu madĕp ka Putri, saĕnggeusna djongok seug ngandika, ka eta Ratu Putri teh, ama kenging pangdawuh, ti kĕrĕsa Sang Maha Adji, Njai teh mugi lĕnggah, dawuhan Sang Ratu, diantosan di paměngkang, Ratu Putri ka Sang Durpina ngalahir, mangga kula ngiringan.

35.  Hanteu lami ladjêng Ratu Putri, diiringkeun ku para dipatya, nudju ka pamêngkang bae, dibudjĕng ku Sang Ratu, sinarĕngan ku Prameswari, dilinggihkeun Sang Ratna, kana korsi mantjur, beunang narapang sosotja, dipajunan ku Sang Sri Pramajon Adji, Ratu Putri Nonoman.

Sinom

1.  Sang Adjěng Ratna Suminar, linggih dina korsi gading, tandang teu aja kabingbang, djeung rurut-reret ningali, ka sadaja bopati, sêmu hanteu rempan kalbu, teu lami Sang Riskomar, ngandika ka Ratu Putri, ama langkung reuwas marga kasumpingan.

2.   Kawuwuh nĕmbean pisan, těpang djeung salira Njai, ti mana nja palinggihan, sarěng saha nja, kakasih, naon nu dipigalih, sĕmu aja nu pĕrĕlu, tjobi ama wartosan, supaja djadi kaharti, Ratu Putri ngawangsul ka Sang Riskomar.

3.  Tapi adat geus biasa, tata-titi, teu diganti, tagog dangah basa kasar, hanteu milih ka narpati, wantu ti murangkalih, dipigusti ku praratu, bawah Tolongt£lêngan, pada serab pada gimir, wantu gagah sakti satjiptana njata. [ 121 ]4. Saurna Ratna Suminar, tong reuwas paman Narpati, kadatangan ku kaula, da lain rek murka ati, mungguh kula pribadi, datang soteh aja maksud, kula arek tatanja, suganna paman tingali, anu ngaran dajeuh nagara Riskomar.

5. Di mana lebah-lebahna, kaula tatjan tingali, arek menta dituduhan kula ku paman Narpati, sakitu nu dipambrih, marga ka dieu ngadjugdjug, ari lembur kaula, ti Tolongtělěngan nagri, ngaran kula Sang Adjěng Ratna Suminar.

6. Ratu di Karangpanjiksan, Děndakalangěnansari, ama kaula Sri Nata, kakasih Sang Mah Saksari, ngabawah parentah djin, nagara bumi ping pitu, ari nu matak kula, nanjakeun Riskomar nagri, hajang těpang reudjeung nu djadi Ratuna.

7. Maksud rek dimupakatan, ku diri kula pribadi, nu leuwih-leuwih pěrluna, nu bakal njusahkeun diri, sakitu nu dipambrih, ku diri kula nu estu, Maha Ratu Riskomar, kaget saleběting galih, ngadangukeun tjarios Ratna Suminar.

8. Teu lami těras ngandika, Sang Dewa Pramajon Adji, ka putri Ratna Suminar, pěrkawis kěrěsa Njai, mriksa Riskomar nagri, nja ieu anu saestu, ngaran nagri Riskomar, Ratuna ama pribadi, anu ngaran Dewa Paramajon tea.

9. Sang Adjeng Ratna Suminar, langkung-langkung bungah galih, wireh ku Sang Sri Narpatya, disebat ieu nu jakin, ngaran Riskomar nagri, manahna Sang Ratu Aju, estu bagdja katjida, turun heula ti wiati, njelang eureun ka djěro ieu nagara.

10. Sanggeus kitu dina manah, Sang Putri ladjĕng ngalahir, ka Ratu nagri Riskomar, sarta bari imut manis, bawaning bungah galih, atuh rebu-rebu nuhun, ari ěnja ieu mah, dajeuh Riskomar nu jakti, putra bingah dipanggihkeun reudjeung paman.

11. Anu didjugdjug ku putra, ti nagari Pusěr-bumi, ajeuna kadar laksana, putra tiasa papanggih, sareng paman nu jakti, kawuwuhan djeung rahaju, taja pantjabajana, leuwih-leuwih bungah ati, rasa bagdja lir raga munggah sawarga.

12. Ngandika Ratu Riskomar, nuhun paman dipigalih, kana marga kabingahan, ku djalanan dipilari, něpi jasa papanggih, tapi ama rada ewuh, ku nu djadi margana, pang Njai ka dieu sumping, sarta tadi njarios bade mupakat.

13. Kawas nu aja masälah, anu ngarumbětkeun galih, anu leuwih-leuwih bangga, ku margi eta pamugi, enggal geura pilahir, supados ama ngamaphum, gampangna djeung banggana, ka pasal nu dipigalih, anu [ 122 ]djadi núnggarakeun kaewuhan.

14. Manawi ama tiasa, ngundjukkeun nu teu kagalih, mung upami teu tiasa, mugi ulah běndu Njai, Ratu Putri teu lami, ngawangsul ka Maha Ratu, kieu maksud teh putra, mungguh ka paman pribadi, asalna teh putra boga kasusahan.

15. Tina sabab putra boga, dulur lalaki sahidji, lantjeuk saindung-sabapa, kataradjang njorang gěring, ripuhna leuwih², geus tuluj bae ngabisu, henteu bisa njarita, hanteu ningal hanteu nguping, kakasihna Dipati Anom Nurdjaman.

16. Wěleh ku kias tarekah, djampe dukun anu matih, taja pisan anu mental, njageurkeun ka kang Dipati, ajeuna oge masih, malah ku putra ditutup, di kamar padjarangan, didjaga ku para mantri, dina djěro guha Bandjarkalangěnan.

17. Bawaning ku putra susah, tuluj putra mudjasmedi, něda ka para Dewata, ka Batara ka Batari, di pamělěngan njěpi, nuhunkeun ka anu luhung, něda buat tumbalna, bawaning ku putra tigin, kasumpingan soara tan katingalan.

18. Basana eta soara, maksud maneh tangtu djadi, piubareun Sang Nurdjaman, tatapina kudu indit, teangan hidji istri, bangsa kamanusan estu, ngaran Dewi Kania, boga tumbal anu matih, minantuna Pramajon Ratu Riskomar.

19. Lamun teu ku tumbal eta, moal bisa tjageur deui, kakang Dipati Nurdjaman, tjeuk soara nu kakuping, dina mudjasěmedi, tah eta sababna kitu, putra teh anu matak, datang ka paman pribadi, arek něda pitulung Dewi Kania.

20. Ajeuna ku paman geuwat, kudu saur Njai Dewi, sina ka hareupeun putra, ku putra arek dipěrih, keur ubar anu matih, djeung maksud putra rek kaul, upama ènggeus damang, salira kakang Dipati, putra arek babakta njawa ka paman.

21. Těgěsna ngaběndung bahja, satungtung putra teh hurip, moal rek pukah bumela, ka kěrsa paman pribadi, bok manggih bahja pati, tah kaul putra teh kitu, kadua pěrkarana, putra sumědja pupulih, anu bakal ngadjadi kasusah paman.

22. Ka paman teh arek aja, nu ngarurug menta pati, Putiasukma Ambarak, moal lila oge pasti, datang ka ieu nagri, Putiaksuma ngarurug, djeung kabeh ponggawa, putra meunang bedja sidik, ti sakabeh para dipati kadjinan.

23. Anu dititah ku putra, nambakeun ka saban nagri, tapi paman montong rempan, ku Putiasukma Adji, sanadjan gagah sakti, sabab [ 123 ]putra sanggup nulung, mun damang Sang Nurdjaman, putra nu ngalawan pasti, sanggup nilas beuheungna Putiasukma.

24. Sri Maha Ratu Riskomar, ngadangu saur Sang Putri, sumiak paromanana, margi ku ewuhna galih, djalan dua pěrkawis, ku saur Sang Ratu Aju, wireh rek dirurugan, ku Sang Putiasukmadji, keur dadasar rada rempan ti tadina.

25. Ari kadua perkara, Ratna Suminar putri djin, bade ka Dewi Kania, mundut landong anu matih manahna Sang Narpati, taja papadana ewuh, asup kana babasan, mandjing kiamat nja galih, langkung lungse paroman Maha Narpatya.

26. Lokotoj leuleus salira, ilang sagala panggalih, Sri Maha Ratu Riskomar, lantaran ku saur Putri, hanteu jasa ngalahir, himeng sagalaning elmu, ngahuleng taja daja, keur lara katambah njeri, ampir-ampir tunggara mědal tjisotja.

27. Tumungkul hanteu ngandika, ngamanah baris ngalahir, Sri Maha Ratu Riskomar, tatapina lami-lami, těras bae ngalahir, paman langkung-langkung bingung, nampi pamariksaan, hal mantu ama nu jakti, ěnja eta ngaran Nji Dewi Kania.

28. Marga djadi kabingungan, mikiran diri pribadi, kawas keuna hukumullah, sapandjang nadangan hurip, wungkul ati prihatin, djadi djuru ngandung bingung, henteu aja anggeusna, bong-abong dihin pinasti, henteu beunang ku sarat gawe kiparat.

29. Wirehing kieu asalna, marga ama sěsah leuwih, ama teh njorang tjilaka, parantos satahun leuwih, leungit anak sahidji, wastana anu saestu, nělah Purnama Alam, tina kaputran ti peuting, leungit musna nja dumugi ka ajeuna.

30. Bodjona nu kantun aja, saban poe djěrat-djerit, nja eta Dewi Kania, geus poho bawaning njeri, ditilar ku salaki, asal leungit teu pupuguh, meh bae njorang owah, amung Kania teu lami, milu leungit diteangan teu kapěndak.

31. Nja dumugi ka ajeuna, lěběng teu kapěndak deui, Purnama sareng Kania, ama anu kantun njeri, siang sinareng wengi, taja papadana bingung, turug-turug ajeuna, ku Njai teh dipilahir, ama arek dirurug ku Sang Ambarak.

32. Atuh ama teh teu kira, keur lara ditindih njeri, Sang Adjeng Ratna Suminar, nguping saur Sang Narpati, ngadjěngok dina galih, tumungkul bawaning ewuh, njaur lěběting manah, kutan teh ieu Narpati, manahoreng rama Sang Purnama Alam.

33. Djadi aing leuwih susah, ku pasal ieu pěrkawis, ari rek waktja [ 124 ]balaka, něrangkeun lampah pribadi, pang kieu diri aing, jen lantaran ku kadujung, ku Sang Purnama Alam, tinangtu njangka ka aing, anu dengki ka Purnama djeung Kania.

34.  Ah aing moal rek waktja, ka ieu ama Narpati, rek pura-pura teu těrang, aturan mo geseh deui, tina tjarita tadi, ngaku-ngaku boga dulur, nandangan gěring pajah, teu lami piundjuk deui, aeh kutan ama teh keur nandang sěsah.

35.  Leungit mantu sareng putra, estu němbean teh teuing, měndak wartos mung ajeuna, atuh putra ngiring sědih, těgěsna sěsah leuwih, marga nu diburu-buru, Njai Dewi Kania, djuru tumbal anu matih, putra bingung ku marga hanteu kasampak.

36.  Na ka mana atuh losna, sampe leungit tanpa lebih, Purnama djeung Nji Kania, kawas aja anu děngki, bangsa nu murka ati, nu maksud henteu dikabul, hajang henteu kasorang, tungtungna milampah dĕngki, wantu adat djalma djuldjěl kadjailan.

37.  Amung ajeuna kumaha, pimanaheun paman jakti, tina langkung nandang sesah, estu sareng putra sami, nandangan nja prihatin, putra keur bingung ku dulur, paman susah ku anak, tjing haju urang badami, djalan geusan leungit pikir kasamaran.

●●

Asmarandana

1.  Amung putra něda djangdji, naon panadaran paman, lamun geus leungit prihatos, lantaran kapanggih anak, Purnama djeung Kania, kumaha paman rek kaul, atawa ngan wungkul bungah.

2.  Da putra mah arek djangdji, lamun diparĕngkeun sehat, ku Gusti Jang Maha Manon, kasawat kakang Nurdjaman, ka nu njehatkeunana, satungtung lumantung hirup, ngadjaga pantjabajana.

3.  Ratu Pramajon ngalahir, ari mungguh diri ama, mun diparěng kapanggih teh, sartana kasalamětan, Purnama djeung Kania, ama mah sadrah sakudjur, katut karaton Riskomar.

4.  Dibikeun sina dimilik, ka anu manggihanana, eta tjatur moal geseh, asup kana panadaran, sareng tangtu ama mah, njingkir ti ieu kadatun, dajeuh nagari Riskomar.

5.  Ratu Putri imut manis, sarta bari sasuran, kaul lain djore-djore, ngaruksak harkat djeung sarat, těmahna hina raga, kadjurung ku hawa napsu, djadi tjilaka ku suka. [ 125 ]6. Tapi rasa putra jakin, kawas moal kadjadian, sabab teu aja sakabeh, anu dimaksad ku putra, ngaran Dewi Kania, ku putra diburu-buru, ajeuna bět teu kasampak.

7. Atuh putra teh pribadi, ka paman moal tiasa, nulung kana baja maot, ku sabab Dewi Kania, suwung bět henteu aja, djadi putra burung nulung, kana kasusahan paman.

8. Lain putra teu hawatir, mungguh ka salira paman, ingětan bolampar bae, da puguh keur sakieuna, kěběk ku kasusahan, mikiran dulur nu udur, kakang Dipati Nurdjaman.

9. Barang Putri keur lumirik, lebah keur njèbut Nurdjaman, tina suku korsina teh, bět aja anu ka luar, rupa bangsa siluman, ngaburingkal ngědjat ngapung, djeung njěbut: bagdjaning raga.

10. Sadaja nu sami linggih, para tumenggung aria, hanteu aja nu teu kaget, jen ningali aja buta, tina korsi kantjana, palěnggahan Sang Ratnaju, putri djin Ratna Suminar.

11. Sadaja hanteu ngalahir, ngan wungkul patingal-tingal, tna bawaning ku kaget, ku aja buta siluman, rupana matak gila, djangkung gěde lintuh imbruh, rupa tjara bangbarongan.

12. Ngan Sang Adjeng Ratu Putri, anu kalintang nandangan, keuheul gěrègěteun hate, kana panatana buta, raos ditjaluntangan, kadjudi diintip laku, teu lami Putri ngandika.

13. Eh kurang adjar si iblis, tjaluntang bět abong setan, boga hate kumawanen, milampah intip-intipan, rek njieun gara-gara, taja tata hanteu patut, abong-abong bebet buta.

14. Lir lain ka pangkat aing, wani lampah kurang adab, ngomong songong sarta nompo, njunglap di korsi kantjana, kaja arek ngadodja, ka djadjaten aing estu, maksud nu wani ngajonan.

15. Kitu saur Ratu Putri, bawaning ku kapusingan, ngaledjeg djeung hanteu pětot, ningali ka awang-awang, Putri Ratna Suminar, sarta teras deui njaur, ka Sang Sri Maha Riskomar.

16. Eh tjobi paman Narpati, manahan masingna ènja, siluman bieu tinangtos, pangna wani kitu lampah, tangtu aja sababna, maksud gawe kana hasud, balukar dina ahirna.

17. Hiri dengki ngarah pati, matak sangar ka nagara, nu matak lampah kitu ge, tatapi ajeuna putra, ka paman rek pamitan, rek njusul si buta palung, sabab tuman mun teu beunang.

18. Rek disiksa sampe mati, diragragan dampal tangan, putra tatjan puas bae, lamun hanteu ngababatang, sanadjan ngědjat anggang, njumput di langit pingpitu, atawa ka dasar lěmah. [ 126 ]19. Mo burung diběrik-běrik, bongan lampah kumawawa, songong ka para narpatos, abong-abong duruwiksa, tatapi ajeuna mah, mohal teu adjur teu lampus, ku ngaran Ratna Suminar.

20. Ratu Pramajon ngalahir, sarta pasemon nu reuwas, dugi salira ngadegdeg, ngandika bari rumenghap, ĕh Njai ulah waka, djěngkar kěrěsa rek njusul, bisi buta kumaonam.

21. Hiri-dengki ngarah pati, ngaruksak ka sadajana, sareng pangna kitu oge, boa-boa eta buta, malar kana diudag, maksud ngabinasa tangtu, ngaruksak di djumantara.

22. Ajeuna mah Njai mugi, mungguh emutan ama mah, sae lenggah-lenggah bae, ulah ageung teuing manah, njusul ka djumantara, bilih buta maksud malsu, gěrnaka lampah ngagoda.

23. Ngarah Njai gantjang njingkir, tina karaton Riskomar, pikirna supaja salse, ngaruksak ka diri ama, sareng eusi nagara, tah eta bokbilih kitu, pimaksudeun eta buta.

24. Ratna Suminar teu lami, ngawangsul ka Sang Riskomar, eh paman tong semang raos, sabot ditilar ku putra, sieun dikaniaja, ku eta si buta palung, ieu putra katur djimat.

25. Ali si Sonasirkursi, leuwih gěde pangaruhna, kasieun siluman onom, lamun maksa ngabinasa, sakur kasebat setan, moal burung lebur adjur, lamun tjutjungah ka paman.

●●

Putjung

1. Hanteu lami Sang Sri Maha Ratu njaur, bari nampi djimat, atuh nuhun laksa-kěten, aja wělas ka ama masihan djimat.

2. Anung ama sumědja aja panuhun, upami ěngkena, buta parantos kenging teh, mugi ulah rek těras ka mana-mana.

3. Mulih deui ka dieu sing buru-buru, ama teh sumědja, barěmpag ka Njai Putren, pikeun djalan kana kabingahan manah.

4. Radja Putri ka Maha Ratu ngawangsul, putra tangtos pisan, jen ka dieu deui mangke, ama teh masing sabar nunggu putra.

5. Reudjeung putra ku ama ajeuna kudu, djeung para dipatya, menta pandu'ana bae, muga-muga salamět teu njorang bahja.

6. Sadajana para bopati tuměnggung, ka Ratna Suminar, sami ngadu'akeun bae, ngadjurungkeun ku doa kawiludjěngan.

7. Hanteu lami Ratu Putri ti kadatun, lungsur kana lěmah, ka [ 127 ]awang-awang ngareret, hanteu lami bělěsat ka djumantara.

8. Larak-lirik paningal teu suwung², kana madhab papat, garang tjantěng tandang djengdjle, ngabar tangan nu kiwa ngadjiwir sindjang.

9. Suat-seot lir kilat bawaning rusuh, Sang Ratna Suminar, reret ka pangawat kaler, lapat-lapat buta teh djauh katjida.

10. Katingalna geus ngambah di mega paul, djauhna dikira,aja dua pos 'mo geseh, Ratu Putri ka buta nu disusulan.

11. Ratu Putri aja di pangawat kidul, lir kilat gantjangna, ngolenjaj ka beulah kaler, tina, langkung gantjangna Ratna Suminar.

12. Enggeus aja di tukangeun nu disusul, buta henteu těrang, jen aja anu njusul teh, djongdjon senang lumampah di awang-awang.

13. Radjaputri ningali teu suwung-suwung, geus tjakět pěrtela, sidik bět buta awewe, buuk gimbal sagěde munding awakna.

14. Tur sihungan sungut natangga ka punduk, mun ngangah lir guha, ditingal ku Sang Pinutren, paromanna kaja rupa bangbarongan.

15. Radja Putri bawaning ku langkung běndu, ka buta teu tata ditewak buukna bae, langkung tarik sarta dibědol ka tukang.

16. Bari njaur eureun heula sia palung, buta duruwiksa, iblis djuru murka hate, hajoh eureun bisi ku aing ditilas.

17. Eta buta ngagerung djeung njěbut aduh, bawaning peureusna, didjenggut ku Sang Putri teh, hanteu obah ngan wungkul sasambat tobat.

18. Bari njebut aduh Gusti abdi ampun, njuhunkeun hampura, abdi parantos mihate, kakirangan panata hurmat tilawat.

19. Darma kirang tata-titi tindak-tanduk, ka lěnggah gamparan, amung abdi laksa-kěten, něda² wělas kérsa ngahampura.

20. Ratu Putri njaur běngis sarta nundjuk, kana beungeut buta, ditompo malar nongtoreng, aing moal kana ngampura ka sia.

21. Bongan sia kumawani gěde napsu, abong-abong buta, wawanen taja paniten, di pajuneun aing djeung para narpatya.

22. Kaduana mungguh sia anu estu, bět moal katjida, teu pisan sia ngadenge, ti sakabeh bebet siluman-sileman.

23. Putri Ratu nagara bumi pingpitu, nu sakti nu gagah, dipigimir dipiseber, ku bopati sawengkon buana alam.

24. Euweuh dua nu unggul elmu paněmu, ngan aing sorangan, Ratna Suminar kaputren, putri Maha Saksari Tolongtělěngan.

25. Naha ari sia bět wani tjuludur, ka aing ngahina, hareupeun para dipaten, aing wirang katangar beunang diunghak.

26. Turug-turug ku sipat nu kieu patut, pangaděg badawang, di dunja ratuning goreng, kurang adab ka ngaran Ratna Suminar. [ 128 ]27.  Djeungna deui ingětan aing nu estu, sia anu matak wani milampah kitu teh, njumput dina handapeun korsi kantjana.

28.  Maksud njunglap ngadodja ka aing tangtu, njoba kagagahan, sia ka diri aing teh, njieun tanda wani ngajon pangawasa.

29.  Anu matak ajeuna aing teh njusul, ngadjambak ka sia, maksud rek ngahukum bae, bongan sia kumawani kitu pěta.

30.  Kena-kena bisa pěrdjalanan ngapung, ngambah djumantara, boga lampah leber hate, kana ganggu ka ngaran Ratna Suminar.

31.  Naha aing dikira teu bisa njusul, kana djumantara, djeung mun enja běněr maneh, gagah rosa tjoba masing bisa obah.

32.  Atawana tina leungeun aing utjul, lamun sia bisa, běněr sia saktina teh, senapati djurig onom duruwiksa.

●●

Sinom

1.  Buta wungkul totobatan, ka Sang Adjeng Ratna Putri, teu bisa ngobahkeun awak, bawaning kalangkung njeri, didjambak ku Sang Putri, bati njebut aduh-aduh, djeung něda dihampura, basana duh Ratu Putri, mugi agung marga wělas pangaksama.

2.  Djisim abdi bade nekad, babakti satia ati, sumudjud dunja-aherat, tumut di bawah panglahir, maksad abdi migusti, ka lenggah gamparan estu, kalajan katur sumpah, naruhkeun bahja djeung pati, bilih abdi hate serong ka gamparan.

3.  Amung abdi enggal-enggal, ku kersa gamparan mugi, kéntjarkeun ulah didjambak, bok abdi pinanggih pati, teu kiat nahan njeri, Ratna Suminar ngadangu, kana piundjuk buta, taluk bakti sětya ati, sareng sumpah taruh pati anu nista.

4.  Atuh Sang Ratna Suminar, lipur kapusingan galih, ngadangu tobatna buta, tungtungna djadi tibalik, djorodjoj manah asih, taja tapak urut běndu, tina sabab bubuhan, Ratu Putri těrah Gusti, sěring ngumbah ku hak djatining kusumah.

5.  Sarta harita teu lila, dilesotkeun ku Sang Putri, tina geus ngaraos wělas, jen buta kadangu sidik, sasambat serah diri, maksud rek sumudjud taluk, tumut dunja-aherat, Ratna Suminar teu lami, ladjeng bae ngandika ka eta buta.

6.  Sia teh bět humajua, wawanen ganggu ka aing, ahir bět kitu buktina, komo lamun ditampiling, terkadang sia mati, karek ku ditjěkěl [ 129 ]buuk, dikeumbing lalaunan, ngagerung tobat djeung tjeurik, bět djědjerih sulaja tina raraga.

7. Djeung sia ajeuna menta, pangampura ati aing, sabab ěnggeus kitu lampah, tjologog taja paniti, kumawani ka aing, hade aing rek ngama'lum, nimbang ka salah sia, tatapi rek nanja aing, tina sabab kakara panggih ajeuna.

8. Sia buta urang mana, reudjeung ngaran anu pasti, sarta naon pamaksudan, tjitjing dina suku korsi, sia keur waktu tadi, djěro Riskomar kadatun, sarta barang ka luar, njěbutkeun: bagdjaning diri, lumpat seuri kaja manggih marga suka.

9. Tjoba terangkeun ku sia, ulah rek dipinding-pinding, pasal nu djadi sababna, karana leuwih mustahil, diingětkeun ku aing, sia njieun laku kitu, lamun taja sababna, manggih geusan suka ati, pok bedjakeun ka aing sing těrus těrang.

10. Mun sia ajeuna baha, mungkir teu daek pupulih, sia tangtu dipaehan, disiksik disebit-sebit, lamun teu djadi tjai, diri aing 'tong disebut, Adjeng Ratna Suminar, Putri djin puséring bumi, těrah Ratu Saksari Tolongtělengan.

11. Buta langkung suka bungah, dilesotkeun ku Sang Putri, rasa pukah reudjeung bahja, teu lila tuluj babakti, sudjud tanda migusti, kana sampean Ratnaju, sanggeus sudjud teu lila, piundjuk ka Ratu Putri, abdi ngaran Mandrawati nu katělah.

12. Papatih bangsa siluman, ngaran nagari Burbani, dupi nu djadi ratuna, lantjeuk sim abdi pribadi, djěněngan Mindrapati, teu kagungan putra-putu, nu baris di ahirna, njěpěng karaton Burbani, lamun Ratu liren atawana wapat.

13. Kawuwuh aja tjatjandran, ti rěsi gunawisakti, di djaganing pagetona, bakalna nagri Burbani, diratuan geus pasti, ku těrah manusa estu, sanadjan dihalangan, ku sasarat tumbal pudji, moal kenging titis mangsa kudratu'llah.

14. Kitu basana tjatjandran, patok pasti bakal djadi, nja těras harita Radja. Sang Sri Maha Mindrapati, miwarangan ka abdi, kědah njiar anak ratu, těrahing kamanusan, nu ramana geus kawarti, pintěr adil běněr ngagem kusumahna.

15. Wirehing Ratu manahna, samemeh kana ngadjadi, diratuan ku manusa, hojong milih anu titis, těrah ngagěm sadjati, unggul elmu ngandung luhung, da ngarah maunatna, lulus luis njangking puri, sapandjangna waluja nandang kamuljan.

16. Ulah ku turunan murka, ratu teu njangking sadjati, sulaja tina [ 130 ]kusumah, bilih balukarna dalim, geus djadina narpati, sangar watěkna tinangtu, rěsak bawahanana, sawengkon nagri Burbani, tjeuk pitutur nudjum sareng udjar adjar.

17. Atuh abdi těras iang, ti dajeuh nagri Burbani, numutkeun dawuhan Radja, sareng dikědahkeun kenging, upami hanteu hasil, kantěnan abdi dihukum, pati atawa buang, dawuhan Maha Narpati, moal nolih kana marga kaduluran.

18. Abdi lintang kabingungan, saindit teh ti Burbani, ngambah dunja kamanusan, pikir risi hanteu kenging, teu lami teras abdi, tina djumantara turun, nudju ka hidji těmpat, desa alas těpiswiring, Silihmani bawah nagara Riskomar.

19. Těras abdi gěntos rupa, njangling djadi nini-nini, raraga kamanusaan, sareng ngalandi pribadi, nělahkeun Nini Tolip, sadongkap ka eta kampung, madjik di hidji randa, geus kolot kalangkung miskin, Ambu Bidal disebut ku urang dinja.

20. Sarta waktja pamaksudan, pang datang ngamen paradji, sugan aja nu rek babar, atawana anu gering, galingging panas-tiris, sanggup nawa masing mulus, sartana dumadakan, loba nu reuneuh nu gěring, atuh těrus ngadukun djeung maradjian.

21. Dumadakan kadjadian, tina matih djampe abdi, nadjan parna kasakitna, sakětjoh teu mindo deui, tjageur sama sakali, kitu deui nu ngadjuru, lamun diparadjian, mungguh ku abdi pribadi, mondok djěmpling ngadjuru teu kara-kara.

22. Lohor babar sore djagdjag, mahinum isukna deui, pageto anakna njiram, atuh abdi lami-lami, djadi sabiwir hidji, dimashurkeun dukun lépus, adjar guna wisesa, paradji adjining leuwih, Ambu Bidal badalna ka pilemburan.

23. Ambu Bidal djadi beunghar, boga harta boga harti, lega tanah gěde imah, atuh leuwih mahmah-mihmih, ku rědjěki nu ngirim, teu lami gujur kamashur, ka djro kota Riskomar, kabisaan Nini Tolip, kamatihan ngadukun djeung maradjian.

24. Hanteu lami kadongkapan, gulang-gulang ti nagari, ngadjugdjug ka abdi pisan, ngěmban dawuhan Sang Adji, Ratu Riskomar nagri, jen abdi disaur rusuh, teu kenging pěrmuhunan, harita emutan risi, pangna njaur nangkep tina pasal eta.

25. Ti dinja abdi teh těras, diiringkeun ka nagari, ku gulang-gulang utusan, enggalna abdi teu lami, geus dongkap ka nagari, dideuheuskeun ka kadatun, njondong Radja keur lenggah, sarengan Parameswari, Ratu njaur ka abdi ngahiap-hiap. [ 131 ]26. Estu salah ti panjangka, emutan abdi teh tadi, tangtos pasal geusan susah, disaur ku Sang Narpati, sihoreng Prameswari, waktu harita teh nudju, bobot geus tudjuh bulan, ku abdi kědah didjagi, dongkap kana maradjian waktu babar.

27. Atuh abdi teh nja těras, ngadjagi Parameswari, sarta dongkap kana mangsa, rek kabar Parameswari, paradjina nja abdi, sareng kenek djuru bantu, wasta pun Bidal tea, taja deui nu ngadjagi, dina djěro kamar gědong pangbabaran.

28. Sarta ku abdi katingal, ku panorah dina ati, bakal putrana teh dua, abdi langkung suka ati, barang něpi kadjangdji, borosot ngowona mulus, putra nu pangheulana, ku abdi dibantun gasik, dilěbětkeun kana tjupu djimat kodja.

29. Ku pun Bidal teu katingal, abdi maling murangkalih, malah sangkana teu kembar, sahidji njata nu kari, anu kataringali, putrana paměgět mulus, kitu deui Meswara, margi didjampe ku abdi, harita ge waras taja urut babar.

30. Eta putra anu tinggal, dipaparinan kakasih, Pangeran Purnama Alam, ambu Bidal nu ngadjagi, ari abdi teu lami, maksa amit ka Sang Ratu, hanteu kenging ditjaram, teu sieun nadahan pusing, těras wangsul ti karatoning Riskomar.

31. Dongkap ka luar paměngkang, bongoh taja nu ningali, abdi ngědjat kana mega, pangadeg Bu Tolip leungit, diutjul di wiati, abdi těras bae wangsul, di djalan hanteu lilà, dongkap ka nagri Burbani, njondong Ratu Mindrapati nudju lenggah.

32. Kalintang Ratu bingahna, tina margi dongkap abdi, sumawonna barang ningal, Sang Ratu ka murangkalih, bingah kawanti-wanti, geus kagungan putra pulung, paměgět kamanusan, makbul sakahajang tadi, ladjěng bae měnjanji awong-awongan.

33. Sang Putra waktu harita, geus djadi puputon Gusti, lankung-lankung dipiwělas, malah geus didjaring-djaring, ku prababu di puri, dirurubung ku pangagung, ari njěsěpanana, madu sělang susu sapi, wiludjengna mulus dugi ka ageungna.

34. Tapi teu didjěněnganan, ku margi ku Sang Narpati, teu atjan pisan kamanah, nu sae baris kakasih, nu pantěs trah narpati, titisan manusa estu, ari rek ditibanan, ku ngaran bangsa rasěksi, tangtu bae sulaja tina ragana.

35. Ari arek didjěněngan, Sang Putra ku Sang Narpati, ku ngaran galib manusa, da puguh tatjan tingali, sarta tatjan kagalih, ngaran manusa nu alus, tungtungna kaewědan, dumugi hanteu dilandi, Sang [ 132 ]Pinutra ku kersa Maha Narpatya.

36. Nja dumugi kana juswa, dua belas tahun leuwih, masih tatjan dingaranan, lami-lami Sang Narpati, miwarangan ka abdi, lunta njiar masing nimu, ngaran kamanusaan, patut di anak Narpati, mun teu měndak pasti nadah kasukĕran.

●●

Pangkur

1. Hanteu lami abdi těras, lunta deui ti nagara Burbani, sorangan teu mawa batur, ngadjadjah sabuana, nagri-nagri manusa anu didjugdjug, sapuluh tahun lamina, ngiděr wěngkon kolong langit.

2. Amung hanteu pisan měndak, pingaraneun alus sarta utami, nu pantěs di anak Ratu, tungtungna abdi těras, ngambah-ngambah dina mega hanteu turun, bawaning ku kasěsahan, njiar ngaran hanteu manggih.

3. Barang abdi keur ngalajang, madju ngulon dina těngah wiati, udjug-udjug leng teu emut, teu aja raraosan, baju budi duka kumaha nja laku, barang geus aja emutan, aja dina těmpat rěsi.

4. Pasantren kamanusaan, djeung dirogrog ku ratus² santri, wantu di buruan tadjug, samalah panditana, ningalikeun teu pětot bari gumuju, abdi kantun lolongseran, rek hudang teu bisa indit.

5. Teu lami eta pandita, kawas-kawas wělas ka diri abdi, kana beungeut abdi niup, dupi saparantosna, bisa oge indit diuk sareng nangtung, abdi rumaos kalintang, kana pitulungna rěsi.

6. Těras ku abdi dihormat, ku babakti sudjud ka dampal rěsi, tekad sumědja rek tumut, Sang Rěsi nampi pisan, kana tekad sumadrah abdi sakitu, teu lami Rěsi ngandika, dibarung pasemon manis.

7. Mariksakeun rumah-tangga, djeung mariksa pang ragrag ti wiati, ku abdi těrus diwangsul, pamariksa pandita, diundjukkeun asal-usul nagri matuh, sareng nu keur dilakonan, ngilari baris lalandi.

8. Kitu deui abdi těras, malik naros ka eta Sang Mahrěsi, marga hajang terang estu, pasantren naon eta, hanteu lami ku Sang Rěsi dipisaur, kaula Muhamad Kurbah, guru ngadji santri-santri.

9. Ari ieu pasantrenna, Gurangsarak ngaranna anu jakin, kitu saurna Sang Wiku, teu lami abdi těras, sudjud deui njuhunkeun pitulung Wiku, mugi aja sih wělasna, maparin baris kakasih.

10. Wiku gumudjeng ngandika, pokna hěnteu bisa ngarang lalandi, nu pantes di anak ratu, da puguh kaula mah, ti sagelar ngalantung di alam hajun, wungkul tjitjing di padesan, teu njaho tata nagari. [ 133 ]11. Tapi kula hade pisan, arek nulung sakumaha paměrdih, menta ngaran anu patut, tapi ukur nuduhan, geuwat bae djugdjug ka gunung Binarum, aja dewi kamanusan, djěněngan Dewi Pramanik.

12. Eta geus tinangtu bisa, mere ngaran pikeur putra Narpati, tatapi andika kudu, salin heula agama, kaom Nabi supaja bisa patěpung, djeung Dewi Pramanik tea, supaja kersaeun panggih.

13. Kitu saurna Pandita, tina abdi bawaning kêkěl ati, tekad sanggup ka Sang Wiku, kana salin agama, hanteu lami abdi teh těras dibantun, kana empang tempat siram, dirubung ku santri-santri.

14. Dimandian dikosokan, diruruan ku batu djeung ku keusik, ku daun eurih ku lêbu, dupi saparantosna, těras abdi diasupkeun kana tadjug, sartana těras disumpah, bisi tjidra djero ati.

15. Saparantos disumpahan, diwurukan matja kalimah kalih, djeung sagala rukun-rukun, sarta djaba ti eta, nja teu wudu giung ku lila rek timu, abdi kenging tilu bulan, lamina di Maha Rěsi.

16. Ti dinja abdi undjukan, enja eta rek ka Dewi Pramanik, ngidinan Sang Maha Wiku, sartana ngawurukan, kidul-kulon pernahna gunung Binarum, ti pasantren Gurangsarak, tjirina bandera putih.

17. Sarta masigit kantjana, enja eta těmpat Dewi Pramanik, kitu saur Maha Wiku, enggalna abdi těras, mios bae djalan sakumaha alur, tilu djam abdi lamina, geus ningal bandera putih.

18. Ti dinja abdi ka handap, liren dina luareun pagěr beusi, dina lawang beulah kidul, katingal di djèrona, langkung-langkung rasmi estu matak lutju, abdí němbean měndakan, patěmpatan kitu rupi.

19. Barang abdi keur ningalan, aja anu bidjil ti eta masdjid, istri kamanusan estu, sareng langkung geulisna, sangka ati Dewi Pramanik tinangtu, barang ret andjeunna ningal, neuteup semu kaget galih.

20. Sarta abdi geuwat-geuwat, hurmat děku tawis běrěsih ati, maksad sumudjud satuhu, Sang Dewi geus ngamanah, sarta těras njakětan barina njaur, andika buta ti mana, datang ka kula pribadi.

21. Ku abdi seug diwangsulan, diundjukkeun jen Patih ti Burbani, sarta anu dipimaksud, pang dongkap ka andjeunna, něda ngaran baris putra Maha Ratu, sarta aja paidinna, ti kersa Sang Maha Rěsi.

22. Dewi Pramanik ngandika, bari imut saurna bibi Patih, eta pasal matak bingung, kula lain teu wělas, ngan kula teh waktu ieu hanteu maphum, ngaran nu pantěs di menak, sabab kula urang sisi.

23. Ngan kula arek nuduhan, bibi kudu ajeuna gasik-gasik, karaton Riskomar djugdjug, ulah rek salah-salah, sanggeus datang ka dinja bibi teh kudu, dina suku korsi emas, baris pitjitjingeun bibi. [ 134 ]24. Sarta mangke tangtu aja, putri tamu di dinja baris tjalik, ngarang ngaran anu patut, pikeun anak narpatya, ku bibi teh pulungan da tangtu alus, los ajeuna geuwat-geuwat, didungakeun masing hasil.

25. Hanteu lami abdi těras, pamit mundjung ka Sang Dewi Pramanik, mios ti gunung Binarum, nja dongkap ka Riskomar, sareng těras kana suku korsi asup, sabulan kintěn lamina, gurudug gamparan sumping.

26. Sasaur-saur gamparan, langkung-langkung abdi awas nja nguping, margi hanteu pisan djauh, dugi gamparan mangsa, njarioskeun raka kasawat ngabisu, nu djěněngan Sang Nurdjaman, abdi langkung suka ati.

27. Margi katjipta ku rasa, sěděng pisan putra Ratu Burbani, ditibanan ngaran kitu, Sang Pangeran Nurdjaman, tah nu matak abdi teh tadi tjuludur, margi ku bawaning bingah, daradjat měndak lalandi.

28. Marga eta ajeuna mah, sakalian menggah maksad sim abdi, ka lenggah gamparan estu, eta djěněngan tea, disuhunkeun bade putra Maha Ratu, kalajan něda lědjarna, piwělas ka diri abdi.

29. Sang Adjeng Ratna Suminar, ngadangukeun piundjuk Mandrawati, kaget salěběting kalbu, margi ku henteu njana, Mandrawati kana balukarna kitu, aneh lalampahanana, ti asal njipta paradji.

30. Něpi kana didjambakna, dina mega ku Sang Ratnaju Putri, dipiundjuk teu kaliru, satapak sapaměndak, Ratu Putri njaur salěběting kalbu, aing daradjat katjida, hasil maksud geus pinasti.

31. Pang lunta aing ti guha, rek neangan ngaran Dewi Pramanik, těrbuka tina tapakur, sarta tjeuk Gěndarata, anu kudu nganteur ka gunung Binarum, bangsa awewe nu meunang, djarah ka Dewi Pramanik.

32. Ajeuna aing manggihan, anu njaho těmpat Dewi Pramanik, nadjan buta patut kitu, da awewe sipatna, tangtu bisa nganteur ka gunung Binarum, ku aing arek dibawa, teu daek dihukum pati.

33. Teu lami Ratna Suminar, pok ngalahir ka buta Mandrawati, sarta galih rada pěruh, malah bibi njěbatna, kula kaget ku laku bibi sakitu, tina katěměnanana, ka anu djadi narpati.

34. Mun kula djadi ratuna, dipatihan ku nu těměn sabibi, daek-daek kula turun, ti pangkat kanarpatyan, diselehkeun ka bibi sina ngaratu, tina djěmbar panarima, tjěpět tigin nja migusti.

35. Ngan bibi aja tjatjadna, čnja eta ku goreng teuing ati, bět abong hajang kapanduk, ku nu djadi narpatya, dibelaan ngabokong gawe rěrěbut, lir lain pangkat aria, leungit tataning papatih.

36. Tapi ajeuna mah tiwas, ku kula teh ditangkep sabab maling, anak Sang Pramajon Ratu, kadua eta ngaran, waktu ieu pikir kula tatjan purun, rek mikeun ka bibi Mandra, kula masih samar ati. [ 135 ]1. Mandrawati barang nguping, lahiran Ratna Suminar, rek nangkép ku sabab njolong, putra Pramajon Riskomar, kadua pěrkarana, henteu aja galih purun, masihkeun eta djěněngan.

2. Mandarawati susah ati, pikirna kuma pětana, tangtu meunang tiwas gěde, hukuman Ratna Suminar, teu lila seug undjukan, mělas-mělis něda mulus, ka kērsa Ratna Suminar.

3. Duh gamparan Ratu Putri, abdi lintang teu ngartosna, dugi poek djero hate, gamparan aja piwělas, ka abdi anu maas, tur abdi tadi piundjuk, seseepan ka gamparan.

4. Sumědja njadrahkeun diri, maksad sumudjud bumela, lahir batin moal serong, saksi sumpah taruh bahja, bok bilih abdi tjidra, margina anu diemut, supados gamparan wělas.

5. Ahir piundjuk mubadir, sumpah teu aja pedahna, teu matak nganděgkeun paeh, abong kadar bagdja raga, jen bakal njorang bahja, teu kenging diampun-ampun, njuhunkeun kawiludjěngan.

6. Ajeuna mah pikir abdi, mung hatur sadaja-daja, marga ngemutkeun papasten, nja kumaha pangěrěsa, Ratna Putri ngandika, bibi lir lain pangagung, pangkat kawasa nagara.

7. Burět ati sisip budi, ngadadar pěrkara kadar, lemek njered ka papasten, hanteu njonto ka sakitan, měgatan kapastian, aja basa apel ampun, saratna malar teu beurat.

8. Ari bibi kantun djěbi, teu bisa tjatur aturan, bět djadi pokrol ku ngartos, ana dipikir ku kula, hěnteu meudjeuhna pisan, djadi patih djagdjag wungkul, nalaktak ngan kurang otak.

9. Wungkul ngileng kana maling, biněkas kana ngarampas, njolongtjong kana tjotjolong, lain tataning aria, tatapi ari tekad hajang meunang ngaran alus, nu salamě wirasatna.

10. Marukan ngaran teh gampil, beunang rek ku lalawora, kawas rek ngaranan sato, taja itung palintangan, katurug-turuganna, ngaran pikeun anak Ratu, lain bangsa samanea.

11. Naha bibi tatjan manggih, bedja pěrtataning Arab, upama rek ngalandi teh, hanteu meunang lalawora, da narah maunatna, salamět saumur-umur, tur mulja di alam dunja.

12. Kudu menta ka nu sidik, paningal kana wirasat, njaho nu hade [ 136 ]nu goreng, nanjana kalawan sarat, panadjêm eta ngaran, sapanawarkeun ki dukun, ku urang kudu ditêbak.

13. Eta kitu nu geus galib, mun ngarah kasalamětan, malah-malah eta oge, Nurdjaman beunang Djêng Rama, meuli ti hidji adjar, nu mashur elmuna lèpus, ku èmas salaksa real.

14. Ahir ajeuna ku bibi, dipenta tanpa karuhan, tjara kana harga sasen, atuh kula moal čnja, mikeun taja karana, sabab pikir kula estu, ngingétkeun mahal hargana.

15. Sanadjan bibi mérédih, maksa menta ka kaula, kula moal mikeun bae, lamun hênteu dibeuli mah, saharga eta ngaran, itung-itung kula nulung, sédja nimbang ka nu hajang.

16. Mandrawati barang nguping, pawarta Ratna Suminar, leuwih-leuwih susahna teh, ari rek maksa teu bisa, da puguh moal kuat, sarta teu lila ngawangsul, bo gamparan na ti mana.

17. Ménggah abdi gaduh duit, keur meser eta djenengan salaksa real mas ukon, malah waktos ajeuna mah, bêkêl ge kakirangan, amung tina marga kitu, pamaksad abdi ajeuna.

18. Tina margi anu awit, maparinan pértulungan, mènggah ka abdi nu bodo, Sang Dewi Pramanik tea, jen abdi kêdah mêgat, dina korsi djro kadatun, dajeuh nagara Riskomar.

19. Badé dideuheusan deui, Dewi Pramanik ajeuna, bade nambut emas ukon, bobotna salaksa real, margi abdi ningalan, masigit objor ngagebur, emas ditabur berlian.

20. Bade ditambut ku abdi, bade majar ka gamparan, pangaos eta lalanden, Ratna Suminar ngandika, djeung sěmu langkung bungah, lamun enya bibi kitu, kaula sukur katjida.

21. Sabab kula anu jakin, kětjap tadi lain pisan, tigin merean pangaos, ngan ku sabab pikir kula, rek aja kahadean, mikeun ngaran djalan nulung, sangeuk mun taja saķsina,

22. Kadua perkara deui, tadi bibi čnggeus sumpah, naruhkeun bahja djeung maot, tapi kula teu pěrtjaja, sabab taja saksina, pikeun djedjer kuat padu, mun di ahir bibi tjidra.

23. Ajeuna kaula mikir, ka bibi leuwih nja sadrah, rek mikeun eta lalanden, tapi hajang di pajunna, Dewi Pramanik tea, tangtu bae leuwih tjukup, njaksian da kadewian.

24. Lamun bibi awal-ahir, tjidra pukah tina sumpah, pinasti gampang kabendon, Mandrawati ngawangsulan, ka Sang Ratna Suminar, abdi tumut sapangdawuh, kahojong lênggah gamparan,

25. Mung supados ledjar galih, masihkeun eta djenengan, mo burung [ 137 ]diiring bae, samulajaning pangersa, mung abdi panuhunan, bok gamparan tatjan maphum, supados djadi uninga.

26. Saupami bade linggih, ka Dewi Pramanik tea, ulah waka djol torodjog, kana patapaanana, kédah amitan heula, néda idin Maha Wiku, di pasantren Gurangsarak.

27. Upami parantos idin, saé gamparan teh djéngkar, Ratna Suminar ngawalon, kula sédja nurut pisan, nadjan ka mana-mana, supaya laksana maksud, djeung Dewi Pramanik tépang.

28. Ajeuna mah haju gasik, ka pasantren Gurangsarak, kula hajang geura amprok, djeung Rési Muhamad Kurbah, gantjang nu dicarita, saparantos Putri njaur, hanteu lami téras djéngkar.

29. Diiring ku, Mandrawati, djalan ngambah djumantara, ngébut gantjang hanteu liren, hanteu lami geus katingal, pasantren Gurangsarak, barakbak di puntjak gunung, pértela ti awang-awang.

30. Ngarandég Sang Aju Putri, ka Mandrawati ngandika, eta bibi témpat naon, estuning leuwih kéréta, kawas bandjaran karang, sému panglajungan ratu, Mandrawati ngawangsulan.

31. Bok gamparan teu tingali, énya eta nu disébat, pasantren Gurang sarak teh, ajeuna sumangga enggal, urang lungsur ka dinja, Sang Ratna Suminar njaur, ih kaula moal waka.

32. Ngan ajeuna bibi misti, sorangan turun ka handap, deuheusan wiku pasantren, sêbutkeun aja kaula, maksud rek ngadeuheusan, ka kérésa Maha Wiku, pek ajeuna geuwat-geuwat.

33. Mandrawati hênteu lami, turun tina djumantara, ngémban dawuhan Sang Putren, katjatur Sang Wiku Kurbah, keur lénggah di bumina, saréng garwa hanteu djauh, Sémbada Hamiah aja.

34. Wiku Kurbah seug ngalahir, ka eta Ahmad Sémbada, eh Sémbada sing kahartos, di tahun ieu mangsana, barudak walujana, tapi maneh ulah géruh, tjarita ka saban djalma.

35. Masing tjara tekad kami, Þarudak nandangan lara, anu leuwih nistana teh, keun bae da moal kébat, ngan ulah pétot néda, ka Gusti Jang Maha Agung, tereh datang salamétna.

●●

[ 138 ]

Dangdanggula

1. Ngawangsulan Sémbada djeung tjeurik, mungguh kuring nadjan taja lisan, taja péta géruh omong, ngan kuring mah kalangkung, teu kahartos ku Kangdjéng Gusti, Maha Ratu Riskomar, teu masihan maphum, ménggah ka salira kakang, njarioskeun leungit putra djeung si Njai, turta leuwih wadjibna.

2. Wiku Kurbah teu lami ngalahir, eh Sémbada ulah kitu basa, pamali matak kabéndon, tekad kitu ka Ratu, tjoba pikir masingna lantip, jen aja paribasa, tjatjandran ti sêpuh, ratu mah murba wisesa, sawénangna sae-awon tunggal wěning, sagala geus kawasa.

3. Eta kitu mungguhing di gusti, maneh ulah rek murka pangrasa, serong omong ka pagusten, mitutur lépat ratu, bisi ahir njorang tjotjobi, kana geusaning sangar, buntu pangawéruh, témahna tambah kasusah, ajeuna mah maneh masing eling-eling, tjêgah sabeunang-beunang.

4. Gantjangna teh ieu nu digurit, barang eukeur Sang Rési wawarta, Mandrawati geus torodjol, ngadeuheusan ka Wiku, tapi hénteu asup ka bumi, kawantu, Patih buta, sérég dina. pintu, ngan bisa di latar tépas, barang ningal Sang Wiku ka Mandrawati, těras bae mariksa.

5. Aeh-aeh Nji Arja Papatih, énggeus datang tjing geura bebedja, raratan tapak lalakon, djeung kumaha geus nimu, pingaraneun anu utami, Mandrawati teu lila, ka Wiku ngawangsul, nja ngundjukkeun lalampahan, ti sabarang dipiwarang ku Sang Rêsi, indit ti Gurangsarak.

6. Ngadeuhėusan ka Dewi Pramanik, dongkap kana ditjékél di mega, ku Sang Adjêng Ratna Putren, ditutur teu kaliru, diundjukkeun ka Maha Rêsi, sarta katjida pisan, kaget manah Wiku, tina marga ku kituna, lalampahan eta Patih Mandrawati, njiarna baris ngaran.

7. Téras deui mariksa Sang Rêsi, eta Putri ajeuna di mana, Mandrawati seug ngawalon, pěrkawis Putri Aju, wangkid ieu di mega putih, kérsana ngadeuheusan, ka pangkon Sang Wiku, marga hanteu sasaréngan, saurna teh kédah néda heula idin, panjambat ti adjéngan.

8. Saur Rési hajoh atuh gasik, sina lénggah ka dieu ajeuna, tatamu Sang Aju Putren, Mandrawati seug těrus, ka wiati ngangkir Sang Putri, kitu deui Sang Kurbah, ka garwana njaur, miwarang sasajagian, entep-entep beberes di djéro bumi, tata rek katamuan.

9. Téngah bumi dilampud alkétip, pasirihan sarta témpat ludah, anu [ 139 ]beunang ngawawangen, njondongkeun Ratna Aju, djeung ngadupa di tĕngah bumi, minangka keur gahormat, babakti ka tamu, wantu-wantu Wiku Kurbah, geus uninga kana karĕsĕp putri djin, sok ahli seuseungitan.

10. Kitu deui sadaja prasantri, ĕnggeus nampi ti Sang Wiku Kurbah, embaran jen mere njaho, bakal aja tatamu, Ratu Putri pusĕring bumi, atuh santri sadaja, hibut urus-urus, njeka njapu palataran, djeung sambian hajang njaho di putri djin, djiga naon rupana.

11. Katjaturkeun Patih Mandrawati, ĕnggeus tĕpang dina djumantara, sarĕng Sang Ratu Pinutren, Ratna Suminar imut, bari njaur ka Mandrawati, aeh bibi kumaha, kasauran Wiku, ka kula aja idinna, Mandrawati ngawangsul ka Ratu Putri, abdi nampi dawuhan.

12. Ti Sang Wiku gamparan pamugi, enggal lĕnggah ajeuna sumangga ku Wiku diantos-antos, teu lami Ratu Aju, ladjĕng bae tina wiati, lungsur ka Gurangsarak, Mandra nu ti pungkur, ngiring ka Ratna Suminar, hanteu lami ka buruan bumi sumping, ngadëg bari rumenghap.

13. Rurut-reret sarta imut manis, tandang gandang taja kasalĕmpang, adat tabah ti bareto, Maha Wiku katjatur, barang ningal ka Ratu Putri, seug muru ti bumina, garwana teu kantun, tanda bingah katamuan, sarta teras ngalinggihkeun ka Sang Putri, Wiku Muhamad Kurbah.

14. Ratu Putri tras lĕbĕt ka bumi, sarta lĕnggah majun ka Sang Kurbah, garwa Sang Wiku ti gedeng, sarta teu suwung-suwung, tjumalimba bae Nji Rĕsi, tina raos kagugat, ningal Ratu Aju, wuwuh tĕtĕs kaemutan, ĕnja eta ka Putri Dewi Pramanik, wantu rada sarimbag.

15. Ampir-ampir midangdam djeung nangis, ngan hadena pageuh pamĕngkĕkna, ngan kantun njangkrungna bae, Hamiah mah geus puguh, keur dadasar epes ti tadi, atuh teu bisa nahan, sĕsĕgruk di dapur, nja kitu deui Sĕmbada, tjeurik djĕbeng bidjil leho kana kumis, bari njieun panggangan.

16. Katjaturkeun sanggeusna tarapti, tuang leueut riungan bardjam'ah, tatamu djeung nu katamon, těras Sang Maha Wiku, alon naros ka Ratu Putri, pun paman sakalintang, kagunturan sukur, dugi ilang kasukĕran, taja tanding nandangan kabingah ati, dina waktos ajeuna.

17. Tina margi Sang Putri miasih, rurumpaheun bĕt kĕrĕsa lĕnggah, ka tĕmpat nu maas awon, padesan kampung dusun, mung Sang Putri mugi sih galih, piwĕlas pangaksama, ka pun paman estu, tina margi teu tiasa, katur hurmat babakti ku nu utami, margi sagala taja.

18. Ratu Putri nguping saur Rĕsi, imut manis bari ngawangsulan, sarta rada adab oge, paman tong aja saur, risi putra ngandung nja ati, gaduh kateu-raosan, margi kirang suguh, sakieu ge lintang-lintang, kanuhunan aja pangangkĕn pangasih, paman ka diri putra. [ 140 ]19. Kitu deui putra nu sajakti, sanes pisan dongkap pangalapan, kana susuguh nu sae, amung bawaning langkung, siang-wĕngi teu aya deui, amung maksad patĕpang, sarĕng paman Wiku, ajeuna kadar laksana, ditĕpangkeun putra bingah taja tanding, dina wangkid ajeuna.

20. Wiku Kurbah seug ngalahir deui, rebu-laksa kanuhunan paman, dianggo kabingah raos, tina awit dikabul, ku mungguhing Jang Maha Sutji, Sang Putri jasa tĕpang, sarĕng paman estu, mung pun paman sakalintang, kaewuhan dina sadjĕroning ati wireh némbe patĕpang.

21. Margi eta mugi, lĕdjar galih, maparinan warti ka pun paman, supados djadi kahartos, margi Sang Putri estu, rurumpaheun kĕrĕsa linggih, ka tĕmpat pamaasan, tangtos aja kalbu, nu langkung-langung pĕrluna, marga eta sumangga wartikeun mugi, supados paman tĕrang.

22. Sapalihna paman nu sajakti, hĕnteu atjan tĕrang palĕnggahan, mĕnggah nagri Sang Putri teh, mugi-mugi pisaur, Ratu Putri barang geus nampi, sugrining panarosan, ti Sang Maha Wiku, djalingĕr djeung ngawalĕran, putra nuhun sarĕng lintang bingah ati, nampi pamariksaan.

23. Bilih paman teu atjan tingali, dupi putra wasta nu katĕlah, Ratna Suminar sajaktos, sarĕng rama nu estu, Ratu nagri pusĕring bumi, dajeuh Tolongtĕlĕngan, kadjinan saestu, kalajan putra margina, nĕpangan teh kakĕrĕsa paman Rĕsi, jaktosna gaduh maksad.

24. Wireh putra ku Djĕng Rama Gusti, geus didamĕl kawasa nagara, Dipati Anom pinutren, di guha Bungbungiimur, lami-lami putra teh kenging, tjotjobi kasĕsahan, anu langkung-langkung, nagiwurkeun kana rasa, dupi awit nu djadi kasĕsah ati, ku putra rek dipĕdar.

25. Putra ngimpi dina hidji wêngi, tĕpang sarêng istri kamanusan, langkung tina geulisna teh, ka putra aja saur, saurna teh anu kaharti, jieu kula manusa, ti gunung Binarum, bandjarkarang patapaan, ngaran kula nu mashur Dewi Pramanik, pang datang ka andika.

26. Tina sabab andika geus djadi, pangkat agung di Tolongtéléngan, nja eta Dipati Anom, tapi kula kalangkung, nandang wĕlas djĕroning ati, ka salira andika, hanteu lipur-lipur, ku sabab andika bakal, kataradjang njorang susah leuwih-leuwih, nu taja papadana.

27. Sabab ieu nagri teh pinasti, awal-ahir kadatangan sangar, runtag saeusina kabeh, moal aja nu kantun, sabawahan ieu nagari, tapi aja tumbalna, malar hênteu tulus, njorang kana eta sangar, tapi moal ku kaula dipiwarti, ka salira andika.

28. Tah sakitu dina lĕbĕt impi, hĕnteu kĕbat njarioskeun tumbal, eta Dewi Pramanik teh, kabudjêng putra emut, amung putra sabada ngimpi, pikiran ngalanglajang, bawaning ku bingung, ngingĕtkeun eta impian. [ 141 ]141

moal gagal aja balukar di ahir, kana geusaning sangar.

29. Atuh putra téras bae indit, ti karaton hênteu mawa rentjang, mung diri putra pribados, nja éta bade njusul, anu tépung di djéro impi, Dewi Pramanik tea, di gunung Binarum, margi ku pnjipta putra, pasti aja djénéngan Dewi Pramanik, di dunja kamanusan,

30. Dumadakan putra teh papanggih, dina mega saréng bibi Mandra, ku putra téras ditaros, sugan nyaho Binarum, patémpatan Dewi Pramanik, sanggémna bibi Mandra, térang di Binarum, mung kédah ngadeuheus heula, néda idin ka pangérésa Maha Rési, pasantren Gurangsarak.

31. Lamun bade ka Dewi Pramanik, eta kitu sanggém bibi Mandra, nu mawi diri putra teh, ka kérsa paman tjunduk, bade néda piwélas galih, kana kérsa ngidinan, tina putra langkung, hajang enggal-enggal tépang, bade nyusul pawarti nu dina impi, tumbal panjarang sangar.

32. Rési Kurbah mesém djroning galih, ngadangukeun saur Sang Suminar, tina parantos kahartos, Putri wungkul wawadul, tjariosna beda djeung bukti, tapi ménggah Pandita, taja pisan maksud, ka Putri rek ngawiwirang, ngawangsulna kalawan djeung budi lantip, teu djiga geus uninga.

33. Saur Rési aeh Agan Putri, ménggah aja manah palaj tépang saréng pun anak nu awon, pun paman hatur nuhun, faja pisan nu djadi runtik, halangan djeung harungan, wungkul paman nuhun, muga kêrsa sing laksana, dienggalkeun têpang ku Nu Mahasutji, pun paman sambung doa.

34. Amung aja pihatur saeutik, lamun Putri palaj enggal tépang, saréng pun anak nu bodo, kédah heula saelmu, tégésna teh tunggal agami, margi pun anak tea, sok rada murugul, mun teu panduk djeung hatena, tampolana népangan ge sok sukingki, tara gantjang némonan.

35. Saur Putri aduh Maha Rési, mun kitu mah putra langkung bingah, nuhun laksa ewon-kéten, mung ajeuna panuhun, rama ulah kapalang asih, putra sédja sumérah, nja diri sakudjur, něda dibérsihan awak, dilébétkeun kana agami sadjati, sérah badan djeung nyawa.

36. Enggalna mah ladjéng bae Putri, ditibanan kalimah sahadat, ku Sang Mahawiku kahot, harita énggeus asup, ka agama Islam sadjati, djeung téras diwurukan, sarat saréng rukun, halal haram sadajana, pikukuhna agama sunat djeung wadjib, mubah saheh djeung batal.

37. Sanggeus tutug diadjar agami, téras deui Putri diwurukan, elmu lahir kadjadjaten, saréng sagala elmu, anggon-anggon manusa sidik, djadi ku sabab eta, Putri beuki wuwuh, leuwih sakti ti baheula, samemehna nampi piwuruk agami, Putri beuki sampurna.

38. Katjaturkeun tjalikna Sang Putri, di patapan kenging tilu bulan, [ 142 ]142

sagala elmu geus maher, piwuruk Maha Wiku, djeung dewi rasiah Pramanik, reudjeung Purnama Alam, kabeh geus kakandung, Putri tambah gégétunna, hajang geura buru-buru bela pati, ngadjait Sang Purnama.

39. Sanggeus kitu tjatur hidji wéngi, Radja Putri undjukan ka rama, njuhunkeun widi rek mios, něpangan Sang Sri Arum, énya eta Dewi Pramanik, tina geus lami pisan, palaj geura těpung, turug-turug énggeus lawas, nja nilarkeun nagara di dasar bumi, kasmaran nu nonoman.


Asmarandana 1. Wiku Kurbah seug ngalahir, ménggah Sang Putri ajeuna, bade njatjapkeun kahojong, djuméngkar bade népangan, Dewi Pramanik tea, patapan gunung Binarum, sumangga taja pambéngan.

2. Amung aja sapérkawis, pun paman bade ngelingan, Sang Putri pamugi bae, ka Dewi Pramanik tea, ulah tjara ka paman, murudul saur nu palsu, dina némbean patépang.

3. Upami Dewi Pramanik, mariksa raratanana, pang njisul palaj paamprok, ku Sang Putri kédah pisan, saurkeun saénjana, ulah disumput-salindung, tina satapak paméndak.

4. Ku margi Dewi Pramanik, nja rada oge waspada, ka nu bénér ka nu bohong, nu mawi Sang Putri muga, lamun parantos, tépang, sing térang salaku-laku, kaajaan dina guha.

5. Mun palsu Sang Putri pasti, meunang bébéndon wiwirang, ti Nji Dewi Pramanik teh, Sang Adjéng Ratna Suminar, langkung-langkung isinna, nampi piwuruk Sang Wiku, rumaos dosa kabétak.

6. Tapi lami-lami Putri, ngeureujeuh seug ngawangsulan, amung rada gegog alon, pérkawis piwédjang paman, ménggah ku diri putra, katampi miwah kasuhun, sédja diemutkeun pisan.

7. Saréng putra laksa-kéti, ménggah hatur kanuhunan, geus diwuruk elmu aheng, geusaning kawiludjéngan, amung maksad kang putra, mios ka gunung Binarum, sumédja dintén ayeuna.

8. Bibi Patih Mandrawati, nu bade nganteur ka putra, marga manehna nu njaho, dina pagunungan eta, Sang Pandita ngandika, ka kérésa Ratu Aju, ajeuna oge sumangga.

9. Gantjangna anu digurit teu lami Ratna Suminar, ka Wiku ladjéng babaktos, sudjud ka sampeanana, ari saparantosna, mundjung ka garwa Sang Wiku, sarta bari tjumalimba. [ 143 ]10.Djeung ka kabeh santri-santri, Ratna Aju sasalaman, těras lungsur ti patamon, santri istri sadajana, ka Ratu Putri djadjap, dongkap ka buruan pajun, teu lami Ratna Suminar.

11.Kana pangawasa eling, bělěsat ka djumantara, gantjang kaja kilat bae, Mandrawati hanteu tinggal, ngiring Ratna Suminar, ngawingking ngapung ti pungkur, anggangna kira satumbak.

12.Geus aja dina wiati, titih nintjak mega bodas, pěrdjalanan ngidih ngulon, pěrnahna ti Gurangsarak, tunda Ratna Suminar, nu aja di mega paul, sarěng Njai Patih Mandra.

13.Katjatur Dewi Pramanik nu aja di patapaan, bandjaran karang kasiten, gunung Binarum Kania, diitung kira-kira, lamina aja satahun, Dewi Pramanik di dinja.

14.Damělna teu aja deui, tapa mudji njeuseuh raga, něda dikabul kahojong, ku Gusti Jang Maha Sukma, anu murba wisesa, kitu pamantěngna kalbu, saměnit teu pisan kěndat.

15.Bawaning ku tina tigin, antek něda ka Jang Sukma, sarta nunda tuang ngarot, dikabul sapantdana, geus pangkat kadewian, kasinungan elmu luhung, nemahan pangkat kusumah.

16.Sabudi-budi ngadjadi, satjipta-tjiptana njata, sakahojong tara gapong, wantu geus asak tapana, geus djadi kasirnaan, lěnggah di gunung Binarum, nitis wahju kadjatian.

17.Palataran tambah rasmi, da katarik ku maunat, sumembor kana kahojong, djadi kamuljaanana, sugrining bubuahan, saeusi gunung Binarum, buahan taja usumna.

18.Sěmu sami ngiring mudji, buah-buah sadajana, harajang dianggo bobor, ku Sang Dewi nu keur nandang, tatapa napakuran, njukuran rarambu kalbu, ku lading djatining manah.

19.Harita Dewi Pramanik, nudju sabada boboran, nuangan sěkar wawangen, ngalantung di palataran, di waktu pukul dua, iuhna ku nu tumuwuh, sugri tangkal buah-buah.

20.Ngaděg di buruan masdjid, wireh aja dadanguan, soara langkung nongtoreng, dirungukeun bět pěrtela, sawara masdjid tea, pokna eh Pramanik ěnung, ajeuna masing iatna.

21.Bakal aya tamu sumping, ti nagri Tolongtělěngan, Ratna Suminar kaputren, maksudna arek něpungan, ka Njai teh ajeuna, sarta kudu pisan aku, sabab idin ti Sang Kurbah.

22.Barang Sang Dewi Pramanik, ngadani eta soara, langkung-langkung manah kaget, tina bade katamuan, ku nu tatjan uninga, djeung těras deui ngalantung, sambian ngantosan semah. [ 144 ]1. Ratna Suminar katjatur, sarĕng Patih Mandrawati, ngalajang di awang-awang, ngarandèg dina wiati, marga aja nu katingal, ku Sang Adjĕng Ratna Putri.

2. Lapat-lapat puntjak gunung, sidik aja taman sari, djeung gumĕbjar tjahajana, tingburinjaj tingkarĕtip, tur aja bandera bodas, di tĕngah bandjaransari.

3. Ratna Suminar seug njaur, ka Nji Patih Mandrawati, bibi tĕmpat naon eta, mana leuwih teuing rasmi, kaja karang kalangĕnan, tĕmpat pĕlĕsir narpati.

4. Mandrawati seug ngawangsul, bilih teu atjan tingali, ĕnja eta nu kasĕbat, patapan Dewi Pramanik, masdjid Binarum Kania, nu ĕjahjana tingkarĕtip.

5. Gamparan sumangga atuh, di dieu tong lami-lami, enggal ngabudjĕng ka dinja, Ratna Suminar ngalahir, ah kula mah moal waka, turun norodjol teu pamit.

6. Kula di dieu rek tunggu, bibi anu kudu gasik, ngadeuheus undjuk uninga, ka kĕrsa Dewi Pramanik, undjukan aja kaula, djin ti nagri pusĕr bumi.

7. Bade katur sĕmbah sudjud, ka kĕrsa pangkonan Dewi, pek ajeuna geuwat-geuwat, ‘Mandrawati hanteu lami, saĕnggeus nampi timbalan, tĕrus turun ti wiati.

8. Ngadjugdjug ka lawang kidul, Njai Patih Mandrawati, tapi hĕnteu asup kĕbat, dina lawang bae tjitjing, dĕku tĕdak kahormatan, djeung dehem malar kakuping.

9. Gantjangna anu ditjatur, harita Dewi Pramanik, di beulah kaler lĕnggahna, ngadangu nu dehem tarik, sada-sada batuk kuda, teu larni Dewi Pramanik.

10. Seug angkat ka lawang kidul, barang ditingali sidik, buta Mandrawati tea, nu basa nĕda lalandih, imut Pramanik ngandika, eh haturan bibi Patih.

11. Kumaha ngaran teh nimu, tjoba putra něda warti, Mandrawati ngawangsulan raja hibaring Sang Dewi, kenging miwah salamĕtna, nu mawi dumeuheus deui.

12. Nja eta badè miundjuk, wirehing parantos kenging, anu katjatĕt [ 145 ]Nurdjaman, tina lamběj Sang Putri djin, keur matamon di Riskomar, putri Ratu Pusěr-bumi.

13. Malah ajeuna di luhur, sasarěngan sarêng bibi, wirehing aja kěrsana, bade něpangan Sang Dewi, lěnggahna di djumantara, margi ngantosan paidin.

14. Sang Dewi Pramanik njaur, coba atuh sina linggih ku putra teh diantosan, Mandrawati hěnteu lami, bělěsat ka djumantara, ngěmban dawuhan Sang Dewi.

15. Ari Sang Pramanik těrus, lěbět ka jěro masigit, tina bade katamuan, něda sih Gusti yang Widi, tina sagala teu aja, baris ngahormat nu sumping.

16. Teu Jami Putri ngadangu, soara tan katingali, montong djadi kasusahan, baris ngabormat putri djin, dumeh sagala teu aja, ajeuna ku Njai gasik.

17. Eta djimat putra Sunu, Nurasdjati bae pěrih, kěbutkeun bari pentaan, naon sakahajang Njai, nu pantěs pikeun ngahormat, tangtu bae bisa djadi.

18. Dewi Pramanik ngadangu, piwurukna sora tadi, Nurasdjati seug diudar, dikěbutkeun dipěrědih, bari disěbat ngaranna, eh djimat Nurasadjati.

19. Coba kami menta tulung, reh rek nampi tamu putri, semah ti dasaring lěmah, menta suguh sing utami, ulah aja kakurangan, tuangeun jeung parabot calik.

20. Kulambu jeung těmpat tidur, eukeur kulěmna Sang Putri, sing cukup kuma biasa, pangangkěn ka tamu istri, harita dadak sakala, keur pangangkěn geus sajagi.

21. Nji Mandrawati katjatur, geus těpang jeung Ratu Putri, dina kalang mega bodas, Ratna Suminar teu lami, ka Patih buta mariksa, coba kula menta warti.

22. Kumaha geus aja saur, eta Sang Dewi Pramanik, Mandrawati ngawangsulan, ka Sang Ratna Aju Putri, gamparan sumangga lěnggah, saurna Dewi Pramanik.

23. Ratna Suminar kalangkung, ngaraos bingah nja galih, hanteu aja papadana, dumugi raosing Putri, ngalang dipanggan, ngalindjing di alam lahir.

24. Němbe měndak bingah kitu, lir catur ni'mat sawargi, ku asal nampi panjambat, angkiran Dewi Pramanik, bawaning ku lintang bingah, teu kěndat gumuju manis. [ 146 ]Dangdanggula

1 Hanteu lami Sang Ratu Putri djin, ladjêng lungsur tina djumantara, ngalajang sému njolojong, Mandrawati ti pungkur, ka Binarum harita sumping, ngadég dina lawangna, sabeulah ti kidul, Mandrawati hanteu tinggal, Adjeng Ratna Suminar geus nandang isin, karek ku ningal témpat.

2. Memeh tépang geus katur babakti, kahormatan děku dina lawang, tumungkul Sang Adjéng Putren, Mandrawati ti pungkur, ngiring hormat déku lir Putri, tumungkul kana lémah, mudugdug ngadungkuk, jeung teu pétot babatukan, minangkana katur bakti salam ta'dim, ka nu lénggah di dinja.

3. Kacaturkeun Sang Dewi Pramanik, geus ngadangu ka nu babatukan, kadjudi semah geus tangtos, di lawang beulah kidul, kadanguna ku Sang Pramanik, atuh harita têras, ti djro masdjid lungsur, nya eta bade népangan, ka tatamu putri djin puséring bumi, Adjéng Ratna Suminar.

4. Hanteu lami Sang Dewi Pramanik, geus gok tépang saréng tamu tea, ngahuléng neuteup teu pětot, Sang Dewi ka tatamu, sarta njaur lébéting galih, mudji tina geulisna, rupi Ratu Aju, ka Allah kutan teh endah, aing nêmbe manggihan saumur hurip, anu kieu geulisna.

5. Kitu saur Sang Dewi Pramanik, pamudjina ka Ratna Suminar, barina ngahuléng méntjrong, Ratu Putri nja kitu, barang ret ge ka Sang Pramanik, langkung-langkung kagetna, neuteup bari déku, njaur salébéting manah, masya Allah naha mana geulis teuing, estu ratuning endah.

6. Aing némbe saumur nya hurip, manggih istri sakieu geulisna, estu matak moho nendjo, beunang oge disêbut, ieu istri mustika rupi, tjatjakan panganggona, bangsa anu buruk, komo mun panganggo mubjar, kadang kala aing mo bisa ningali, bawanning ku serabna.

7. Ngan aing teh bét kaduhung teuing, hanteu mawa panganggo nu endah, keur tawis tilam babaktos, sanggeusna njaur kitu, Sang Putri djin médal tjitangis, ku tina lintang-lintang, dina lébét kalbu, kabingahan jasa tépang, da ngemutkeun ku bangga pisan ngilari, di dunja kamanusan.

8. Ngan hadena didjaring ku pudji, dibelaan tapa ngumbah raga, tiasa patépang soteh, ajeuna paréng tépung, Ratu Putri jeung Sang Pramanik, geus taja papadana, kabingahan kalbu, tungtungna Ratna. [ 147 ]147

Suminar, ladjéng bae sudjud ka Dewi Pramanik, nangis hénteu ngandika.

9. Sang Pramanik ningal polah Putri, langkung-langkung nandang kaget manah, tina hanteu atjan ngartos, sababna tamu kitu, sudjud nangis bét kawas manggih, pasal katugénahan, atawa kabingung, anu geusan marga bahja, kitu sangka manah Sang Dewi Pramanik, ka Sang Ratna Suminar.

10. Tungtungna mah Sang Dewi Pramanik, kabawakeun ku Ratna Suminar, nandang térésna nja raos, djadi liwung mangpaung, tjumalimba bidjil tjitangis, rada kawisajaan, sarta bari njaur, ka Putri Ratna Suminar, djeung ditjandak pananganana Sang Dewi, sarta aji nyébatna.

11. Aji mangga ka masigit linggih, mugi ulah tunggaraning manah, tina ménggah trah Narpatos, nandang kewuhan kalbu, dugi kana médal tjitangis, tumiba kana lébah, kadjaden tinangtu, sangar raga kasampurnan, da katarik ku sipat rantjana galih, watékna kaheméngan.

12. Sang Putri djin ngadangu panglahir, ngawurukan pasal panjégahan, kahartos nangisna aso, sarta teu lami těrus, Ratu Putri ku Sang Pramanik, dikaleng tina lawang, kuta beulah kidul, ditjandak angkat ti dinja, hénteu lesot dikaleng dugi ka masdjid, memeh lébét manjoan.

13. Dilinggihkeun Sang Aju Putri djin, ku Sang Dewi Pramanik harita, dina alkétip nu objor, sarta papajun-pajun, Ratu Putri djeung Sang Pramanik, saalkétip teu pisah, di masdjid Binarum, ngan Nji Mandra Patih buta, dina tépas teu ngiring asup ka masdjid, da sérég di pantona.

14 Hanteu lami Sang Dewi Pramanik, seug ngawitan ka Ratna Suminar, imut sartana tumaros, atjeuk teh sakalangkung, wangkid ieu gumbira ati, nu taja papadana, kasumpingan tamu, amung mugi pangaksama, tina hanteu tiasa katur babakti, sipating katuangan.

15. Aji oge kanténan tingali, puguh atjeuk sagala teu aja, malum di témpat kasépen, Ratu Putri ngawangsul, djeung tumungkul bawaning isin, emok mando teu kéndat, nun rai panuhun, atjeuk mugi ulah pisan, aja saur kirang tawis marga asih, sakieu ge kalintang.

16. Katjékapan tawis atjeuk asih, kérsa ngangkén ku saur sumeah, rai nuhun laksa-kéten, Dewi Pramanik njaur, saréng atjeuk rek naros deui, wireh tina némbean, atjeuk teh nu estu, kalajan aji patěpang, saha tea sinaréng ti mana bumi, tjobi atjeuk wartosan.

17. Saréng naon margi lédjar galih, kérsa lénggah ka témpat nu maas, gunung leuweung si maganggong, Ratu Putri ngawangsul, ménggah rai ti pusér bumi, nagri Tolongtéléngan, kadjinan nu estu, pun bapa ratu di dinja, dupi wasta diri rai nu sajakti, Adjéng Ratna Suminar.

18. Saréng rai margi agéng ati, gana-gana dugi kumawawa, milampah [ 148 ]agěng wawanen, ngadjudjur ngulur napsu, maksad rai dua pěrkawis, kahidji hajang těrang, těmpat gunung-gunung, di dunja kamanusaan, kaduana maksad rai nu sajakti, margina ngadeuheusan.

  1. Wireh rai lintang gěgěl ati, kataradjang gaduh kasěsahan, karaos kalintang abot, dumugi langkung-langkung, hěnteu raos njandangan hurip, bawaning ku awratna, ku nu djadi ewuh, amung lami-lami těras, ngondang dukun djin anu guna wisakti, nu awas panorahna.
  1. Sanggěmna teh rai kědah indit, kana těmpat dunja kamanusan, ka kěrsa atjeuk sajaktos, kědah njuhunkeun tulung, eta kitu sanggěm paradji, nu mawi rai dongkap, kana njusul-njusul, ka pangkon atjeuk ajeuna, bade něda pitulung kawělas asih, ngalandongan kasěsah.
  1. Barang eukeur Sang Putri wawarti, aja sora ti masdjid datangna, ka Sang Adjěng Aju Putren, eh Njai Ratu Aju, poma-poma ulah sambuni, atawa asa-asa, nutur tapak laku, sing těrang sapangarěpan, da mustahil atjeukna Dewi Pramanik, ka Njai timburuan.
  1. Sang Putri djin ngadangu panglahir, langkung-langkung nandang kaget manah, dumugi tjarios liren, tungtungna Ratu Aju, gimir dina lěběting galih, teu kěrěsa wawarta, ka Sang Putri Wiku, da aringgis kumaonam, atuh wuwuh isin ku Dewi Pramanik, Putri Ratna Suminar.
  1. Tungtungna mah njaur lěbět galih, aeh-aeh bět aneh katjida, aja masdjid bisa ngomong, njaho ka laku batur, komo teuing atjeuk Pramanik, kauningaanana, kana elmu luhung, tjatjakan ieu těmpatna, bisa ngomong mituah ulah sambuni, sagala kalakuan.
  1. Barang eukeur Putri kitu galih, geus pok deui aja nu njarita, eh Njai Ratu Pinutren, ulah ngamanah kitu, mudji luhung pangkat sadjati, mungguhing ka atjeukna, pamali mun kitu, matak pětjat kadjatian, kalilipan ku heméng rantjana ati, asal ku pakagetan.
  1. Ajeuna mah pek Njai wawarti, ka atjeukna masing těrus-těrang, wiwitan Njai ngadolos, ngadjudjur hawa napsu, ulah arek dipinding-pinding, itung-itung diadjar, lugina nja kalbu, tanda ngagěm kasutjian, serong tjurang omong gapong kudu pangkring, meungpeung Njai nonoman.
[ 149 ]

Sinom

  1. Sang Adjěng Ratna Suminar ngadangu sora ti masdjid, ngahulěng hanteu ngandika, ningal ka Dewi Pramanik, djeung langkung nandang isin, Dewi Pramanik seug njaur, dikěbatkeun sumangga, nyarios tatag sing apik, sakumaha raratan anu kapěndak.
  2. Teu lami Ratna Suminar, ngěbatkeun deui wawarti, diundjukkeun sadajana, ka Sang Dewi Paramanik, ditungtik apik-apik, bisi kaliwat kaliru, tatag djeung těrus-těrang, teu pisan dipinding-pinding, ti awalna dongkap ka ahirna pisan.
  3. Barang geus tamat wawarta, Sang Ratna Suminar nangis, ari nu djadi sababna, ku pasal dua pěrkawis, hidji ku langkung isin, da kabitur nandang liwung, kairut ku Sang Putra, tjaroge Dewi Pramanik, atuh lintang raos isin ku garwana.
  4. Ari kadua pěrkara, pang nangis Ratu Putri djin, lantaran tambah emutna, ka anu di guha tjandi, Sang Radja Putra jakti, kitu manah Ratu Aju, sarta rempan katjida, aringgis teu dipigalih, di ahirna ku Sang Pangeran Purnama.
  5. Ari Dewi Pramanik mah, ngadangu saur Putri djin, jen Radjaputra Purnama, aja di pusěring bumi, dina guha wěrědjit, ditěnung didjieun batu, ku Arja Patih Kumba, ngahulěng Dewi Pramanik, teu ngandika ngan wungkul mědal tjisotja.
  6. Bawaning těrěsna manah, meh leungit sagala budi, bawaning wělas ka raka, ngamanah teu njana teuing, ěngkang Pangeran kenging, bahja nista tjara kitu, keuna ku hianatna, wisaja siluman iblis, kitu saur Pramanik lěběting manah.
  7. Tatapi tina bubuhan, Dewi Pramanik geus njangking, bagbagan di kadewian, manah sěsah gampang pulih, ku anu lenggang wěning, kantun nuhun ka Jang Agung, geus nampi pangěrsana, těrbuka wahjuning diri, kenging wartos ajana Purnama Alam.
  8. Ngan muga-muga sing enggal, dikěrsakeun ku Jang Widi, nandangan rahmat waluja, kaja bahara-bihari, djasmani trah narpati, Sang Dewi Pramanik kitu, dina lěběting manah, liren margina kasilih, ku piundjuk Sang Adjěng Ratna Suminar.
  9. Undjukan djeung kěndat-kěndat, rehna kasembor ku tangis, duh atjeuk rai ajeuna, wireh parantos dumugi, těpang kalajan nampi, wiludjěng
[ 150 ]anu saestu, kadar Jang Maha Sukma, dumugi nja raos rai, kaja basa handjat ti sagara lara.
  1. Ku margi eta ajeuna, paněda, rai sajakti, mugi atjeuk enggal-enggal, linggih ka pusěring bumi, ajeuna sarěng rai, njandak Sang Pangeran Sunu, di Djurung-padjarangan, enggal landongan pamugi, ku panduʻa elmu tumbal kawarasan.
  1. Margi lintang hawatosna, aja di těmpat wěrědjit, putra radja djadi artja, hina nista leuwih-leuwih, dupi bade ku rai, Pangeran Putra dibantun, didjampe sina waras, sanes rai teu hawatir, mung teu kiat margi kalintang panasna.
  1. Dewi Pramanik ngandika, eh rai Ratuning Putri, měnggahing atjeuk ajeuna, amung kantun bungah ati, tina geus kenging warti, ajana Pangeran Sunu, sanadjan djadi artja, diteundeun di pusěr bumi, atjeuk moal wěleh něda kawarasan.
  1. Sumawontěn aji aja, ka diri atjeuk paměrdih, dikědahkeun ngalandongan, malar waras lir sasari, sanadjan taja warti, diri atjeuk moal burung, jen kana ngalandongan, ka Sang Pangeran sajakti, tina margi atjeuk anu kawadjiban.
  1. Mung atjeuk panuhun pisan, bade ditjandak ku aji, ka nagri Tolongtělěngan, karang panjiksan těmpat djin, ari nu djadi margi, pang atjeuk teh hěnteu tumut, wirehing gaduh tekad, kěkěl ati awit nampi, piwurukna masdjid Binarum Kania.
  1. Atjeuk ti dieu teh ulah, arek luluntaan deui, kědah di dieu ngantosan, sehat Sang Purnama jakti, kaduana pěrkawis, jaktosna atjeuk keur tunggu, djimat Sang Radjaputra, tjawisan ti anu gaib, wasta djimat Tjakrahajat Kantahajat.
  1. Tah eta anu nyarampak, ku aji tjobi tingali, nu aja di paimbaran, nu rupi karembong putih, katiluna pěrkawis, pang atjeuk teh hěnteu tumut, ngiring ka panjiksaan, atjeuk teh kalintang risi, lamun ningal Sang Putra samemeh damang.
  1. Tinangtos atjeuk teh bahja, ku sipat gogoda ati, nu geusan sangar nja rasa, balahi atjeuk pinasti, upami ningal sidik, Sang Putra ngadjadi batu, těrkadang kapisanan, kana nadah bahja pati, ku bawaning tunggara ku kalaraan.
  1. Meureun atjeuk teh diruang, di nagri pusěring bumi, těmpat nu teu saagama, leuheung mun parantos sami, sadajana bangsa djin, nyangking agamana Rusul, tjara aji ajeuna, geus ngagěm kalimah kalih, kenging oge disěbut urang saihwan.
  1. Tah kitu atjeuk kawěgah, margi panuhun ka aji, teu sanggěm
[ 151 ]kana ditjandak, ka Tolongtělěngan nagri, malah atjeuk ka aji, ayeuna aja panuhun, upami sajaktosna, aji kawěningan galih, ngangkěn dulur dunya dumugi aherat.
  1. Kahajang atjeuk ayeuna, ulah waka gasik-gasik, mulih ka Tolong-tělěngan, měnggahing kěrěsa aji, dupi nu djadi margi, urang ngarantosan wahyu, geusaning kasampurnan, běrěsih ati djeung diri, meungpeung aya di bandjarkarang patapan.
  1. Perkawis Radjaputra mah, nya keun bae ěngke deui, ulah waka dilandongan, ngantosan idin nu gaib, ěngke ge aja warti, ti ieu masdjid Binarum, jen dongkap kana mangsa, Sang Putra geus waras deui, mědal tina těnung wisaja rantjana.
  1. Margi emutan atjeuk mah, upami ajeuna indit, naon pilandongeunana, da puguh teu atjan manggih, piubareun nu matih, keur nyageurkeun nu ditěnung, nu mawi ajeuna mah, mung něda asihing Gusti, mugi aja tumbal keur těnung wisaja.
  1. Sang Adjěng Ratna Suminar, ngawangsulan ka Sang Dewi, rai sumědja ngiringan, kana sugrining pilahir, margi sanadjan rai, buru-buru kana wangsul, ari teu djadi matak, kamulyaan lahir-batin, měnding nyorang pati di karang patapan.
  1. Barang Putri keur wawarta, ngeng deui sora ti masdjid, eh Putri Ratna Suminar, běněr kudu kitu ati, ka Nyi Dewi Pramanik, ari ěnya hajang lulus, laksana nja kahajang, ulah dipungpang ku Njai, malar lambat midulur dunja-aherat.
  1. Barang tamat soarana, nu miwulang ti djěro masdjid, Sang Ratna Suminar tambah, nandangan kagetna galih, sarta wuwuh ngadjadi, ngariut wawanen kalbu, roa kaaringgisna, ku Sang Dewi Para niknu dimanah aringgis pinanggih salah.
  1. Tatapina da bubuhan, djadi kulit djadi daging, seureuweul pereg pangutjap, nja těrus deui ngalahir, ka Sang Dewi Pramanik, měnggah rai anu estu, sumawontěn pituah, geusan pangeusining ati, elmu pikeun nu narik kawiludjěngan.
  1. Nadjan naon-naon pisan, sugri timbalan ka rai, enteng rugěl sipat hina, siang-wěngi moal mungkir, emutan bakti diri, katur sumudjud satuhu, dunya dugi aherat, kitu ge manawi nampi, ka nu lintang hina maas bodo kěmba.
  1. Sarěng tadi atjeuk aja, lahiran mo kěrsa linggih, ka nagri Tolongtělěngan, dajeuh rai nu sajakti, margi teu saagama, sarěng djin sabumi pitu, atjeuk tong djadi sěmang, marga sanggěm pisan rai, kana njalin agamana sakadjinan.
[ 152 ]
  1. Saha anu lampah baha, para tuměnggung bopati, teu daek gěntos agama, tangtos ku rai dibasmi, barang Dewi Pramanik, nguping saur Putri kitu, rek ngaruksak kadjinan, gumuju bari ngalahir, nuhun pisan aji bade kitu kěrsa.
  1. Amung emutan atjeuk mah, ulah waka digigimir, dibuburak sina ruksak, dumeh asal ěmbung njangking, kana agama Nabi, tatapi lamunna kitu, kaom naon ngaranna, lain maksudna pribadi, sadrah soteh ku djalan sieun diruksak.

Asmarandana

  1. Tina marga eta aji, upami aja kěrěsa, kana mindahkeun kaom teh, ulah rek disingsieunan, atawa dibibita, da kudu ku lěmah-lěmbut, nasehat kamuslihatan.
  2. Ku silib reudjeung pepeling, pituah pangupah-ngupah, tata rata nu raspaten, aji ge tangtos uninga, bagbagan widjaksana, aturan njieun pitutur, njeka pikir kakotoran.
  3. Eta aji masing eling, bok sulaja ti raraga, era ku aděg pribados, mun geseh tina pokona, rukunna hal kusumah, disěbut kusumah palsu, ku rasa Kasasmitaan.
  4. Malah anu leuwih bukti, aji ninggang pasulukan, salira ku andjeun keneh, putri Narpati kadjinan, ari sategěsna Nar, seuneu njatana nu estu, tjeuk basa para budjangga.
  5. Seuneu wiwintjikan diri, anu hurung matak tjurang, anu pepes gampang lempes, panas leuwih-leuwih gangas, salampah-lampah salah pantjaran nja mawur tjatur, djadi areng kagorengan.
  6. Ari pati njata putih, lain putih tjara kapas, lain putih tjara lawon, putih soteh kasutjian, tur pandjang kawěningan, suwung rarambuning kalbu, ilang pasangaran rasa.
[ 153 ]
  1. Narpati (1) napsu nu putih; nja ninggang di kasampurnan, raraga sipat kadjaten, tah eta kědah kamanah, marga aji darahna, titisan nu ngagěm luhung, tigin kana kapahingan.
  1. Pahing kamurkaan galih, nu geusan njorang katulah, raraga měndak tjotjoge, tjeuk basa ahiring mangsa, mun aji hanteu jasa, měgung napsu nu kalangsu, pinasti mandjing rasěksa.
  1. Sanggeus Ratu Putri nampi, sagala pasal pituah, wuwuh manah ngalokotoj, tumungkul hanteu ngandika, bawaning ku katjida, surup kana djěro kalbu, sasaur-saurna raka.
  1. Lami-lami seug-ngalahir, dupi rai ajeuna mah, maksad tumut atjeuk bae, naon-naon pangěrěsa, rai mah amung njangga, sědja sumudjud mo buntu, dunya dumugi aherat.
  1. Sumawonten baris djadi, balukar kawiludjěngan, nadjan geusan baja maot, rai moal lampah baha, tina wangkid ajeuna, ka kersa atjeuk nu estu, numutkeun sapapaosna.
  1. Dewi Pramanik ngalahir, nuhun aji kitu manah, asih ka atjeuk nu bodo, kěrsa rek manah bumela, kana kawaluratan, ngan atjeuk gaduh panuhun, ka lěnggah aji ajeuna.
  1. Mugi sabar kěrsa lami, lěnggah di ieu patapan, wajahna nandang prihatos, marga sagala teu aja, manawi etang-etang, ngantosan turunna wahyu, nu baris kawaluyaan.
  1. Ngawangsulan Sang Putri djin, sumangga atjeuk sumangga, rai mah ngiringan bae, nadjan wiwilanganana, tirakat sampe wapat, tapakur dogkap ka adjur, rai mo tuna bumela.
  1. Kitu saur Ratu Putri, jen ngababar kasabaran, gantjangna nu ditjarios, sabadana sasauran, harita pukul opat, ti djěro masdjid lalungsur, Pramanik Ratna Suminar.
  1. Kěrsana bade pělěsir, Mandrawati hěnteu tinggal, ngiring lělěson pinutren, ngadjadjah ka palataran, ningali pangaturan, di puntjak gunung Binarum, nu kěběk ku harum sěkar.
  1. Mimiti lungsur ti masdjid, ngadjadjah bunděran kěmbang, ngarendeng pakaleng-kaleng, lengkah titih djeung satingkah, satandang lir sapasang, salira ampir saliru, saaděg tandjěk satintjak.
  1. Kěmbang marědal wawangi, rěkah sami barareukah, sami sarěmu babaktos, ligar pada ngiring hegar, ka anu katamuan, kaja ngadjamu ku harum, kewěs katur kahormatan.
  1. Malati nu bungah ati, sěděp malěm katur salam, kěmbang ros
——————————————————————
(1) Narpati = narapati = nrěpati (basa Sanskrit) = radja; nrě = nara = djělěma : pati = gusti = ratu : nrěpati = ratuning djělěma. [ 154 ]
kewés babaktos, ergulo sému bumela, dalia nu satia, kémbang tandjung lir rek mundjung, tjampaka nu mandi suka.
  1.  Seungit leuwih ngadalingding, tur ngadjadi kawarasan, mepes manah nu prihatos, katérap kamaunatan, djadi kasalamétan, pangaruh anu keur kukuh, tatapa ngumbah salira.
  2.  Teu lami Dewi Pramanik, saréng Sang Ratna Suminar, kébat ka kébon kakajon, buah-buah nu ngareunah, buah bapang katapang, tangkal lubi-lubi djambu, huni kaweni djeung nona.
  3.  Kalapa kupa djeung kopi, djéruk bali lalidjiwa, béntjoj-béntjoj aramotjoj, tjampédak tangkalak salak, buah gédong djeung gédang, djéruk manis lemo limus, gandaria budidaja.
  4.  Maunat Dewi Pramanik, buahan taja usumna, daun lembok buah gemplek, Dewi Pramanik harita, bobor margi hormatan, njumanggakeun ka tatamu, buah kidang nu dituang.
  5.  Ari Sang Ratu Putri djin, amung ngala lalidjiwa, djeung menteng anu karoneng, dituang tamba hanaang, bari ajang-ajangan, ngalantung handapeun tandjung, palébah djadjaran bapang.
  6.  Ari Patih Mandrawati, tjampédak anu dipurak, lajeng marol buah burahol, ngabaheum bémbém djeung namnam, séntul beak satangkal, limus danas nu dirémus, dipake ubar hanaang.
  7.  Dewi Pramanik ningali, imut ningal tata buta, réwag-réwig wuwuh réwog, Sang Dewi ladjêng ngandika, ka Sang Ratna Suminar, masa Allah aji itu, bibi Arja Patih Mandra.
  8.  Naha mana rampus teuing, ngadahar sagala gahar, Ratna Suminar ngawalon, atuh ngaranna ge buta, daharna tara tata, kana sagala ge rampus, teu aja tampikanana.
  9.  Njaur Sang Dewi Pramanik, tjing tjobi bere kalajar, Ratna Suminar ngawalon, teu beukieun kalajar mah, wungkul nu bangsa ngeunah, Dewi Pramanik seug njaur, ana kitu tjara urang.
  10.  Sang Putri djin imut manis, kapégat raratan kétjap, ngarogo da kapikagok, tumungkul bati isinna, Putri Ratna Suminar, ku raka Sang Putri Wiku, mustika karang patapan.
  11.  Ti dinja arangkat deui, ngadjadjah sawéngkon eta, tatamu djeung nu katamon, ngawaskeun di palataran, awas ka madhab papat, wetan kulon kaler kidul, taja kandégan halangan.
  12.  Ngurilingan pagér pinggir, marabat tjara sarodja, lir dipulas ku tjet hedjo, kawas nu beunang ngahadja, njieun témpat nu hardja, pangaturan nu panudju, pikeun kalangénan radja.
  13.  Sang Ratna Suminar kétir, ningal palataran datar, ampir-ampir [ 155 ]nadah teter, teu tahan nahan kakělar, emut ka nu ditilar, nu aja di Bungbungiimur, mustika di djěro kamar.
36. Djeung ampir mědal tjitangis, tina bawaning kagagas, tungtungna kana prihatos, leuleus lempes, tjara kapas, rarajna munggah pias, kawas nu rek njorang lampus, ilang tandang tata gangas.

Dangdanggula

1. Njai Dewi Pramanik ningali, kana rupi Sang Ratna Suminar, amung ku reret ku kělet, katingal sěmu ngungun, lir nandangan kagagas galih, tatapi geus kamanah, ku Sang Putri Wiku, nu djadi lantaranana, pangna měsum paroman Sang Ratu Putri, aja kemutanana.

2. Tatapina Sang Dewi Pramanik, pura-pura anu teu uninga, ka nu keur nětěs prihatos, ngan imut sarta njaur, haju aji urang marulih, da geus burit ajeuna, ka masdjid Binarum, nyumanggakeun Adjěng Ratna, sarta těras ti těmpat eta marulih, lěbět ka masdjid tea.

3. Hanteu lami Sang Ratu Putri djin, ladjěng bae tumaros ka raka, tjobi rai něda wartos, wireh rai nu estu, hanteu těrang nu djadi margi, pang atjeuk aja lěnggah, di gunung Binarum, naha kumaha awitna hěnteu lami ngawalon Dewi Pramanik, ka Sang Ratna Suminar.

4. Diwartoskeun tina barang awit, těpang sarěng Sang Pangeran Putra, waktu lěnggah di pasantren, ditutur teu kaliru, dongkap kana ngalih ka nagri, ti gunung Gurangsarak, disaur ku Ratu, djeung dongkap kana leungitna, Sang Pangeran ti kaputran těngah peuting, dumugi ka musnana.

5. Dongkap kana ditundung ku Gusti, ulah aja di dajeuh Riskomar, djalanan leungit Sang Anom, sartana dipisaur, ku Sang Dewi waktu prihatin, ka luar ti nagara, ngurubut ka gunung, dipiwarti teu kaliwat, sapaměndak dititik diapik-apik, sadjěro mileuweungan.

6. Nja dumugi ka Binarum masdjid, raos-raos lěnggah di patapan, ngantosan Pangeran Anom, dongkap kana patěpung, kasumpingan Sang Ratu Putri, dina waktu harita, keur guněman saur, Ratna Suminar kalintang, ngiring ngangrěs ngadangu Dewi Pramanik, nyarios lalampahan.

7. Dina waktu kětir ngiring kětir, sarta bari teu pětot ngalimba, ěta Sang Ratu Pinutren, lamun dina keur nudju, njarioskeun kabingah-galih, Putri Ratna Suminar, teu kěndat gumuju, bawaning ku ngiring bingah, sumawonna Nji Mas Patih Mandrawati, dumugi ka ngagakgak. [ 156 ]156

8. Sanggeus tamat Sang Dewi Pramanik, njarioskeun lalampahanana, ku Mandrawati digéntos, ngundjukkeun asal laku, ti sabarang djadi paradji, di nagara Riskomar, sarta hasil maksud, maling putra Sang Riskomar, disanggakeun ka Ratu nagri Burbani, djeung térus dikukutna.

9. Dongkap kana njiar keur lalandih, sarta ragrag ka pasantren tea, diundjukkeun ka praputren, ditutur teu kaliru, dongkap kana kenging panglahir, ti Sang Pramanik tea, dimistikeun tunggu, di suku korsi kantjana, sarta dongkap kana kenging keur kakasih, ti Sang Ratna Suminar.

10. Diundjukkeun ditewak ku Putri, dina mega arek dipaehan, sarta dongkap ka pasantren, saréng Sang Ratu Aju, ngalap elmu ti Maha Rési, rukun-rukun agama, dumugi ka tjunduk, tjarios kana tépangna, Ratu Putri saréng Sang Dewi Pramanik, dina waktu harita.

11. Langkung-langkung Sang Dewi Pramanik, résép nanggap Mandra tjatjarita, hal asal-usul lalakon, sartana ladjéng njaur, bari imut ka Sang Putri djin, ieu teh pasal urang, anehna kalangkung, hade mun didjieun babad, pitjontoeun mun diparéng pandjang hurip, keur anak-intju urang.

12. Putri-putri saréng Mandrawati, nyarioskeun lalampahanana, sami pada nganggap aneh, Dewi Pramanik térus, njaur deui ka Sang Putri djin, atjeuk aja pamaksad, ka aji piundjuk, manawi aji uninga, asal-usul Maha Putiasukmadji, Ratu nagri Ambarak.

13. Wireh atjeuk kapungkur teh nguping, ti éngkangna Sang Pangeran Putra, waktu masih di pasantren, andjeunna aja saur, pangadégna Dewi Kaswati, lir rupa bangbarongan, djangkung géde imbruh, beda djeung bangsa manusa, tatapina ku sadaja nu ningali, disébat putri endah.

14. Atjeuk langkung ku hanteu ngaharti, eta mana anu saénjana, margi aja dua wartos, Ratu Putri ngawangsul, sarta bari gumudjéng manis, upami sajaktosna, atjeuk hénteu maphum, sumangga rai undjukan, kitu oge rai mah wartosna deui, ti kérsa Kangdjéng Rama.

15. Sajaktosna Putiasukmadji, duruwiksa ti dasar sagara, ngaraton siléman kabeh, nagari Gujunglimbu, ngaranna ge anu sajakti, sanes Putiasukma, saur ama Ratu, Sang Burusganur ngaranna, malah eta Kaswati ngaran nu awit, memeh djadi manusa.

16. Ngaranna teh Endang Rohongguris, kitu oge rai mah teu térang, memeh ngamanusana teh, margi rai keur lémbut, dupi eta Arja Papatih, nu ngaran Arja Kumba, mashur Barakgirung, bangsa keneh duruwiksa, dupi awit aja di Ambarak nagri, hajang djadi manusa.

17. Burusganur nja térus ngalindih, nja eta ka Ratu Ambarak, mung sanes pérang ngorojok, Sang Ratu Burusganur, ka Sang Ratu Ambarak [ 157 ]nagri, ma'lum adat siluman, bisa gawe něnung, kabeh kapala Ambarak, tjariosna taja nu kantun sahidji, sadaja ditěnungan.

18. Disingkirkeun ti djěro nagari, rupa-rupa ditěnunganana, aja nu djadi kakajon, aja nu djadi batu, kitu deui manehna ganti, saěnggeusna něnungan, Ratu Burusganur, njipta djadi kamanusan, sarta niron kana rupa Ratu tadi, anu ditěnung tea.

19. Ngaranna ge nurutan nu tadi, mashur nělah Sang Putiasukma, patut tjěples ngaran niron, Patihna ge nja kitu, Barakgirung ngadjadi deui, lir Patihna Ambarak, anu geus ditěnung, ngan aja oge gesehna, dina ngaran sanes Kumbaaringaring, Patih nu kapěngkěr mah.

20. Arja Patih Gěnda Soringtoni, papatihna nagara Ambarak, sarěng ditěnungna oge, ku Ratu Burusganur, sadajana kapala nagri, dibokong dibongohan, těngah wěngi nudju, keur sami karulěm tibra, abdi-abdi saeusi eta nagari, hanteu aja nu těrang.

21. Jen Ratuna djeung Aria Patih, putra-garwa hanteu pisan tinggal, katěrapan těnung kabeh, kitu margi teu gěruh, marukanna hěnteu diganti, kawuwuh hanteu beda, djeung Pat.h kapungkur, dongkap ka waktu ajeuna, eta kitu dawuhan Djěng Rama Gusti, awit Putiasukma.

22. Barang nguping Sang Dewi Pramanik, tjariosan Sang Ratna Suminar, langkung-langkung manah kaget, sartana těrus njaur, masa Allah teu njana teuing, jen kitu balukarna, Sang Putia Ratu, paingan teuing saurna, Sang Pangeran ningali ka Nji Kaswati, njěbat lir bangbarongan.

23. Amung atjeuk hajang těrang sidik, anu ngaran Arja Patih Kumba, nu něnung Pangeran Anom, kadua hajang těpung, sarěng gandek salira aji, musuhna Arja Kumba, rek diaku dulur, ku atjeuk waktu ajeuna, tina marga bisa mangmalěskeun njěri, seep kapanudjuan.

24. Hanteu lami ngawangsul Sang Putri, mangga atuh upami kěrsa mah, nadjan wěngi ieu oge, djěngkar ka Sulungtubu, měnggah rai sumědja ngiring, Sang Pramanik ngandika, atjeuk moal burung, laladjo Aria Kumba, djeung manggihan gandek aji Mantri Ginggi, tapi kědah ngantosan.

25. Paidinna ti ieu masigit, nu diarah nja karahajuan, sapandjang djalan lalakon, barang keur guněm saur, Putri-Putri di těpas masdjid, njarios palay djěngkar, teu lami Binarum, gorowok bae njoara, basana teh eh Njai Dewi Pramanik, reudjeung Ratna Suminar.

26. Idin pisan ti ieu masigit, arek lunta kana Langlangsona, tatapi, samemehna teh, njaba ka Sulungťubu, poe isuk kudu arindit, duaan ulah tinggal, ka gunung Sirkawur, di kulon-kidul pěrnahna, aja tjiri di pun Rei tjakna imah leutik, něnggang taja baturna. [ 158 ]27. Eta gunung těmpat tukang tani, rupa-rupa bangsa pěpělakan, lalawuh keur deungeun kedjo, arindit poe isuk, djeung kadua aja paidin, ti Sang Purnama Alam, ku Pramanik kudu, Tjakrahajat Kantahajat, kudu bawa ulah ditilar ku Njai, pake saheulaanan.

28. Ngan sakitu saurna masigit, sarta matak djadi kabingahan, kana galih Sang Pinutren, Dewi Pramanik njaur, tah geus aja geuning pawarti, urang teh kaidinan, ku masdjid Binarum, njaba kana Langlangsona, tatapina ajeuna urang dimisti, leumpang ngadjadjah heula.

29. Kana gunung těmpat djuru tani, pagunungan Sirkawur ngaranna, pěrnahna di kidul-kulon, dimisti poe isuk, urang indit ka djuru tani, tatapi atjeuk susah, margi tatjan maphum, kana pagunungan eta, tatapina hayu bae urang indit, ku sabab parentahan.

30. Ngawangsulan Sang Ratu Putri djin, měnggah rai mung sědja ngiringan, sanadjan ka mana oge, mung rai lintang ewuh, tina margi sanes paranti, kana leumpang badarat, tuman, djalan luhur, kantěnan djadi kakuna, ngawalonan Sang Pramanik ka Putri djin, aji tong djadi sěmang.

31. Hal pěrkara ku lain paranti, angkat djadjah ngambah-ngambah lěmah, inggis kaku djadi mopo, mun manah aji kitu, masih keneh tjangtjaja galih, palsu jen umangkěnna, ka atjeuk misěpuh, Sang Ratna Suminar reuwas, nampi saur ti raka Dewi Pramanik, tumungkul teu ngandikan.

32. Terus deui Pramanik ngalahir, ulah sieun teu tiasa angkat, ieu bae kědah anggo, nu atjeuk tikěl-balung, supajana salira aji, tiasa gantjang angkat, sarta hěnteu ripuh, wantu djimat kamanusan, Sang Putri djin njaur nuhun sarta nampi, djeung těras dianggona.

33. Barang nganggo Sang Ratu Putri djin, raraosan wuwuh reugreug manah, sadunja kěběk ku hate, eukeur mah ti kapungkur, adat běngis tur leber galih, ajeuna tambah-tambah, wawanen nja kalbu, dugi palay mangku djagat, da kahudang ku djimat Dewi Pramanik, tikěl-balung mas tea.

34. Gantjangna teh ieu nu digurit, katjaturkeun di poe isukna, pukul gěněp rěbun keneh, masdjid Binarum njaur, aeh Njai Dewi Pramanik, sarta Ratna Suminar, dawuh ieu kudu, indit ka Sirkawur tea, didoakeun mugi salamět nja diri, meunang kawalujaan. [ 159 ]1. Sanggeus nampi piwarangan, teu lami Dewi Pramanik, njandak dua djimat tea, Tjakra-Kanta anu tadi, ngan matak heran leuwih, barang ku Putri dibantun djdi hareureut pisan, dikeupeul ge tangtu buni, mun ditimbang sami djeung salěmpaj sutra. 

2. Dawi Pramanik teu lila, saparantosna tarapti, njaur ka Ratna Suminar, bari tjumalimba nangis, sumangga atuh aji, buru-buru meungpeung isuk, walon Putri sumangga, hanteu lami para putri, ladjěng lungsur ti djro Binarum Kania.

3. Mandrawati ge ditjandak, atjan diidinan balik, harita geus sami angkat, Ratna Suminar Pramanik, nu ngiring Mandrawati, djěngkarna ka lawang kidul, angkat ajang-ajangan, mudun ti gunung masigit, manah kělar ngahělar dina tětělar.

4. Tegal djukut kakawatan, mipir-mipir hunjur pasir, ngaliwat lěbak bubulak, mapaj mumunggang nu lamping, sumping kana malingping, nudju ka gunung nu liwung, ngaliwat djungkrang lěwang, ngurubut di leuweung rumbit, angkat alon njonggeang ka těgal lenglang.

5. Panonpoe tjaang bengras, nudju dina, asar ahir, n.nggang pamajonan matjan, angin lělěr ngahilir, ngaso niis tjaralik, di handapeun tangkal sěmpur, nuangan bubuahan, tjandak ti gunung Masigit, djěruk bali lalidjiwa budidaja.

6. Těgal lěga ngěntak2, tur datar aja pasir, negla taja tatangkalan, ngan badori sadagori, djalantir djeung kanikir, kiurat djeung djukut-riut, sintrong djotang tjarulang, ketepeng katumpang patjing, djodjomplokan eurih bajandah djeung mandjah.

7. Teu lami deui djalěngkar, angkat alon lengkah titih, da kabengbat ku paninggal, bangsa kakajon nu těbih, di sisi sakuriling, wetan-kulon-kaler-kidul, hěnteu aja towongna, djanitri djunti kiputri, albas'ah djalaprang pasang kidjulang.

8. Putri-putri arangkatna, harita parantos těbih, kira aja sapuluh pal, harita kaburu burit, geus waktu bada magrib, diganti ku bulan ngěmpur, tanggal lima-bělasna, praputri ngaraos tiris, wantu-wantu hawa tanah pagunungan.

9. Sang Adjěng Ratna Suminar, wantu nu anjar pinanggih, kana kitu lalampahan, raos repot leuwih-leuwih, katingal ku Sang Dewi, hawa[ 160 ]toseun langkung-langkung, margi Ratna Suminar, teu kawawa nahan tiris, ampir geuneuk salirana soropatan. 

10. Bawaning ku hawatosna, Dewi Pramanik teu lami, mundut tikěl balung tea, anu dianggo ku Putri, sartana hanteu lami, dikeupitkeun sarta njaur, mundut sal sutra dua, sarta harita geus bukti, dua kampuh bulu-bulu sutra mubjar.

11. Dewi Pramanik ngandika, sumangga anggo ku aji, walon Sang Putri sumangga, atuh Putri leuwih-leuwih, bungahna lêbêt galih, gantjangna anu ditjatur, Pramanik djeung Suminar, čnggeus nganggo kampuh sami, dikurudung gumilang katodjo bulan.

12. Nji Aria Patih Mandra, nandang keuheul djêro ati, ku sabab tara biasa, leumpang hanteu gasik-gasik, da tuman tjara angin, nu ngadudud ngagělěbug, ari waktu harita, wantu-wantu ngiring Putri, leumpang alon kawuwuh loba randěgna.

13. Mandrawati seug undjukan, ka Sang Dewi Paramanik, Sang Dewi mugi kěrěsa, wireh panuhun pun bibi, supados angkat gasik, sae ku bibi dipunggu, gumudjěng putri dua, Dewi Pramanik ngalahir, ah bibi mah putra teh da lain budak.

14. Djeung keur naon gagantjangan, lengkah rusuh gusak-gusik, da lain rek moro masar, sugan bae djadi wuwuh, paměndak sadjadjalan, kadua pěrkara deui, ngarah tuman apal pěrdjalanan alas.

15. Margi putra mah manusa, wadjib nangenkeun pamanggih, kamulyaan alam dunja, supaja baring supagi, lamun waluja diri, bisa nutur tapak laku, dina djroning babad, batjaeun mitra prawargi, itung-itung baris sambara tjarita.

16. Mandrawati hanteu kêbat, miundjuk ka Sang Pramanik, margina hanteu kamanah, panuhunna Mandrawati, hajang munggu praputri, da saur Sang Dewi kitu, angkatna djeung sambian,pělěsir njiar pamanggih, ngalilipur mepes manah kasukěran.

17. Malah sawêngi harita, teu pisan liren sakali, da taja baris salěmpang, kana pinanggih balahi, nu bakal baja pati, moal aja anu wantun, ngaganggu ka nu angkat, sanadjan setan djurig djin, batan wani kasorang anggur njaringkah.

18. Gantjangna ieu tjarita, djalêngkarna para putri, waktu harita geus beurang, kira pukul tudjuh endjing, seug liren para putri, nudju dina puntjak gunung, bengras tjaang katjida, hanteu aja aling-aling, atuh awas plungplongna ka mana-mana.

19. Dewi Pramanik ningalan, ngidul ngulon njêla bumi, sugan aja lapat-lapat, tětěngěr tuduhan masdjid, teu lami katingali, gunung bulistir [ 161 ]tur lěmbut, sartana katingalan, ku Sang Dewi Paramanik, aja anu tjelak-tjelak di puntjakna.

20. Dewi Pramanik ngandika, ka Sang Ratna Aju Putri, itu aji mangga tingal, puntjak gunung nu bulistir, bêt aja anu putih, tjobi tingal masing husus, bisi atjeuk njalahan, hanteu lami ku Sang Putri, ditingali pěrtela tjahaja bodas.

21. Hanteu lami seug undjukan, ajeuk tajik teh teuing, tjelak2 rupi bodas, tinangtos moal sak deui, měnggah emutan rai, tjitjiren gunung Sirkawur, marga eta ajeuna, sumanga tong lami, urang budjěng ajeuna ka gunung eta.

22. Saur Sang Pramanik mangga, hanteu lami têrus deui, djalěngkar ti panglirenan, angkat alon lir sasari, sartana hanteu lami, geus sumping ka suku gunung, anu didjugdjug tea, Ratna Suminar Pramanik, angkat nandjak arek ngadjugdjug ka dinja.

23. Eta gunung taja pisan, anu towongna seutik, wungkul huma pěpělakan, lalab-lalab hanteu sěpi, pagawean nu tani, sumawonna bangsa baku, sapěrti nu kasěbat, hui andewi sasawi, djabung bawang surawung katjang djeung kěntang.

24. Kuntji tjikur djeung katuntjar, tjau tiwu djeung andewi, suwěg sagu taleus lobak, tjabe terong roaj hiris, ledjet djaat bit kunjit, kaos bakol kol djeung sěkul, samangka ojong ngajang, koneng akar kuning pining, hui manis gawangan djadjaran danas.

25. Djeung butbat taja buntuna, djalan sengked sakuriling, ngadjadjar kopi libria, pagěrna djarak kaliki, harita para putri, wantu nandjak angkat, laun, karek dongkap těngahna, njělang liren para putri, linggih niis handapeun tangkal libria.

26. Gantjangna ieu tjarita, tunda heula para putri, kotjap anu ngageugeuhna, ěnya eta djuru tani, awewe djeung lalaki, sakurěn teu boga batur, kira-kira umurna, gěněp puluh taun leuwih, djeung tjitjingna dina puntjak gunung eta.

27. Ngaran lalakina Turna, awewe ngaran Turni, harita nudju di imah, duaan eukeur ngaropi, bubuk sampeu tjikopi, djeung kukurud gula kawung, bubur waluh baturna, sagu taleus hui manis, waktu eta ěntas tina pagawean.

28. Saěnggeusna barang dahar, Ki Turna ngomong ka Turni, akang arek tjatjarita, tina sabab peuting tadi, aneh akang nja ngimpi, patěpung reudjeung Sang Ratu, Sri Maha Langlangsona, ka akang maparin warti, ngawurukan sing sabar ulah kěsělan.

29. Nji Turni seug ngawalonan, bět asa tuturut-munding, kuring ge [ 162 ]gaduh impian, ngimpi tepang djeung Meswari, ka kuring teh mepeling, saurna di poe isuk, ulah rěsěp di imah, djeung kudu masing sajagi, běběrěsih beresan di djěro imah.
30. Sakitu kuring impian, margi kaburu ku lilir, nu mawi taja eureunna, beberes kuring ti endjing, sasapu bēběrěrih, Ki Turna deui tjatjatur, tjing atuh bisi ěnja, haju urang ulah tjitjing, ngidér kěbon neang sakur pěpělakan.
31. Djeung nadjan taja impian, da urang ajeuna misti, nungguan pare di huma, loba hama manuk leutik, bondol piit galatik, gantjangna harita tuluj, pada turun ti imah, Turni ngelek said leutik, Turna njoren bědog djeung njorendang kodja.
32. Paningkah Turna di huma, nulak tjangkeng lundjang-lindjing, suka keur koneng parena, Turni ngawih tandak silir, djeung bari ngelek said, ngundeur selong katjang djabung, djeung daun katjang pandjang, Turna bati suka ati, heheotan sarta lagu Padajungan.
33. Nji Turni keur kakawihan, rasa gěnah ku pribadi, ngareret ningal ka lěbak, djalan sisi kěbon hiris, katingal sarta sidik, aja anu darariuk, handapeun libiria, dua istri tur gareulis, ngan Nji Mandra anu hěnteu katingalan.
34. Kahalangan hondje-warak, ngalondjor bari njangigir, nu matak hěnteu katingal, ku Nji Turni djuru tani, ngan awas ka praputri, Turni kaget liwat langkung, njampeurkeun ka Ki Turna, noel deudeupeun pupulih, ieuh akang geura tjobi itu tingal.
35. Aja awewe duaan, djeung gareulis liwat saking, dihandapeun libiria, sisi djalan kěbon hiris, damělna keur tjaralik, tjing tjobi ku akang buru, hanteu lila ku Turna, ditingal ka lěbak sidik, dua istri gareulis teu kasamaran.

Asmarandana

1. Ki Turna ngomong ka Turni, urang di dieu geus lila, nu katjatět dina hate, tudjuh bělas tahun aja, migaw katanian, di tanah gunung Sirkawur, tapi kakara ajeuna.
2. Dikadarkeun ku Jang Widi, papanggih deui djeung djalma, ngan kakang sumiak hate, aringgis bangsa siluman, sabab mohal katjida, bangsa manusa nu estu, nu sakitu pamuluna.
3. Istri sartana gareulis, lain pande bangsa somah, bět aja di leu[ 163 ]weung ganggong, reudjeung ieu pagunungan, ku djalma teu kasaba, ti djaman ka pungkur-pungkur, kadjaba urang duaan.

4. Mana kitu oge djurig, bangsa rasĕksa siluman, njipta djadi djalma tulen, “arek ngagoda ka urang, atawa ngabinasa, Turni ka Turna ngawangsul, ĕngke kakang ulah waka.

5. Njangka-njangka eta djurig, tjik haju urang lahlahan, deukeutan masingna djonghok, pariksa naon maksudna, Pangna aja di dinja, margi moal tambuh laku, bisa ka dieu daratang.

6. Kadua pĕrkara deui, bisi bangsa djalma ĕnja anu eukeur ngalalakon, lantaran nandangan bahja, anu leuwih nistana, lamun bĕnĕr djalan kitu, urang teh wadjib nulungan.

7. Lamun bĕnĕr bangsa djurig, urang tundung ku kalimah, kasieun siluman onom, sina njingkah ka nu anggang, gunung di pasebrangan, Ki Turna ngawalon haju, salampeurkeun ku duaan.

8. Hanteu lami Turna Turni, ti tongoh mudun ka lĕbak, kana tempat para putren, Dewi Pramanik waspada, sarĕng Ratna Suminar, ka anu kakara tjunduk, Nji Turni reudjeung Ki Turna.

9. Ladjĕng ngaradĕg praputri, ngarendeng teu pisan anggang, geus, aja djorodjoj raos, jen tinangtu moal salah, djuru tatanen tea, nu boga gunung Sirkawur, kitu Putri lĕbĕt manah.

10. Ngan Ki Turna djeung Nji Turni, barang ningal Njai Mandra, gibrah-gìbrah djangkung gĕde, sieuneun teu kira-kira, datang ka kasimana, tungtungna gek darariuk, ngadegdeg lir kabulusan.

11. Angkeuhan tadi teh leungit, rek njingkahkeun ku kalimah, sumawonna bisa djampe, kana mapatkeun panjinglar, anggur pada kasima, biwir rapĕt lir dikaput, gado ge totoroktokan.

12. Diuk tungkul hanteu usik, sarta hĕnteu kuat tanggah, tina teu kaduga nendjo,‘Turna Turni ka Nji Mandra, aringgis djol dihakan, para putri ararimut, ningal ka anu kasima.

13. Dewi Pramanik ngalahir, ka putri Ratna Suminar, tjobi ku aji parios, sarĕng lělědjar pikirna, malar ulah katjida, kasima dugi ka kitu, atjeuk mah hawatos pisan.

14. Ratna Suminar teu lami, ngandika ka Turni Turna, eh eta djalma lalemong, maneh ulah reuwas-reuwas, bisi tuluy sakarat, katjida teuing murungkut, kumaha mun pěgat urat.

15, Da maksud kami teh lain, rek ngaruksak nganiaja, ka djalma karolot peot, ngan maksud kami ajeuna, ka maneh arek nanja, ulah djawab hanteu puguh, bisi ditendok irungna.

16. Ki Turna sarĕng Nji Turni, hanteu pisan ngawangsulan, anggur [ 164 ]164

nambahan njorodtjod, Dewi Pramanik ngandika ka Sang Ratna Suminar, sarta dibarung gumuju, bêt eta atuh aji mah.

17. Mariksa teh teu djeung lantip, isfu satêngah njeukseukan, disêbat peotna bae, ngawangsul. Ratna Suminar, raos rai paoti disěbat buktina kitu, nu aja dina ragana.

18. Sareng kadua perkawis, manawi leungit sieunna, kasilihkeun ku garetek, dumeh disčbat peotna, kitu rai emutan, supados enggal ngawangsul, Dewi Pramanik ngandika.

19. Eta teu kenging dipasti, ka saban-saban djelema. kenging dipantjing kitu teh, da ieu mah kawas kawas, tinimbang kana beunang, ditanja ku basa kitu, anggur tambah kasieunna.

20. Ajeuna mah tjobi kuping, ku atjeuk arek ditanja, tapi susuganan bae, ieu djalma bisa djawab, lipur di kasieunan, teu lami Pramanik têrus, mariksa ka Turni Turna.

2i Eh tjoba paman djeung bibi, ulah sieun ulah reuwas, didatangan ku kula teh, da lain rek kumaonam, bangsa kahianatan, datang soteh aja maksud, ka paman arek tatanja.

22. Sabab kula leuwih-leuwih, ajeuna keur nandang susah, taja papadana bae, aja nu keur diteangan, tempat di pagunungan, nu ngaran gunung Sirkawur, kula hanteu atjan terang.

23 Sugan paman geus tingali, kula menta dituduhan, lčbah mana Sirkawur teh, Ki Turna teu ngawangsulan, masih keneh kasima, ngan bodjona rada peruh, leungit meueusan sieunna.

24. Tina tekadna Nji Turni, bagdja bahja kuma idat keur naon dipake seber, ari geus ninggang ka mangsa, nandangan bahja wapat, teu beunang diembung-embung, mungguh titis kudratullah.

25. Sanggeus, kitu pikir Turni, tuluj bae ngawalonan, galat ge maksakeun maneh, pokna nun Putri nu endah, mustika nu gumilang, pêrkawis gunung Sirkawur, nja ieu anu didampal.

26. Sawangsulna maksad abdi, mênggah ka kersa adjěngan, sumedja bade tumaros, adjěngan anu ti mana, sarêng naon pangêrsa, margi sumping ka Sirkawur, gunung patěmpatan hina.

27. Semi aja nu digalih, pangěrsa lintang perluna, ngadolos kadalon-dalon, wantun angkat mileuweungan, hanteu aja karempan, ku sato pangeusi gunung, maung adjag nu garalak.

25. Margi abdi nu sajakti, nembe ajeuna měndakan, anu wantun ka dieu teh, kasêbat bangsa manusa, kadjabi ti siluman, tina marga langkung-langkung, têbihna ti těmpat djalma.

29, Tina margi eta mugi, kêrsa maparinan warta, adjêngan teh bangsa [ 165 ]165

naon, onom atawa manusa, margina manusa mah, moal aja anu wantun, kana ieu pagunungan.
30. Barang Sang Dewi Pramanik, ngadangukeun panarosanna Nyi Turni djuru tatanen, gumuju kalintang ngeunah, tina disangka-sangka, bangsa onom nu teu puguh, tina wani leuleuweungan.
31. Teu lami teras ngalahir, perkara diri kaula, têgêsing manusa tulen, lain siluman-siluman, atawa duruwiksa, ngan laku anu teu puguh, sulaja ti lumbrah djalma.
32. Sirna pikir ngambah pasir, bêtah ngambah pangalasan, djeung pada djalma teu parok, njagpantês oge disêbat, kana bangsa siluman, puguh tiña kieu laku, walurat sarta masiat.
33. Kitu deui mungguh bibi, nanja rumah tangga kula mungah kula nu sajaktos, hanteu boga rumah-tangga, djaba ti kalakuan, turun gunung unggah gunung, lampah sakawenang-wenang.
34. Djeung maksud kula pribadi, nu matak ka dieu datang, ku sabab asal kula teh, bawaning ku sakieuna, djadi djalma balangsak, mudjajka gunung Binarum, ku hajang manggih těrbuka.
35. Kana geusan sirna pikir, papisah reudjeung kasüsah, tina kula tigin hate, kana paneda laksana, nandangan kangeunahan, meunang ilapat pangwuruk, ti karamat gunung eta.
36. Jen diri kula dimisti, djeung ieu dulur kaula, lalandjang di djuru tanen, sarta têmpatna disěbat, pěrtela hanteu samar, di puntjak gunung Sirkawur, kitu basana ilapat.
37. Ku sabab eta manawi, bibi djeung paman miwēlas, kerêsa midaměl gandek, ka diri kula nu hina, masihan padamêlan, sakawawa sakatimu, ngiring nandang kasenangan.

Dangdanggula

1. Saparantos ngalahir Sang Dewi, Turna Turni katjida kagetna, ngadenge Putri tjarios, sabab nu matak tjunduk, jen kêrsana eta praputri, rek mundut padamêlan, bangsa buburuhun, tata gawe katanian, Turna Turni datang kasimana leungit, kantun kaget pikirna.

2. Turna ngomong sadjêroning ati, tjing ku aing arek dirawatan, rek diaku anak bae, bisina anu malsu, putri têrah bangsa narpati, sabab mohal katjida, anak urang kampung, sakieu geulis rupana, dina sorot djeung aing kakara manggih, nu sakieu geulisna. [ 166 ]

166


3.  Reudjeung lamun dipungpang ku aing, inggis matak djadi kumaonam, kabênduan para putren, têrkadang aja tungtung, kana geusan balai diri, lantaran aing mungpang, ka ieu tatamu, sanggeus mikir kitu Turna, têrus bae ngawangsul ka Sang Paramanik, sarta eulis njěbatna.
4.  Hal pěrkawis eulis aja galih, hojong kana didaměl di paman, makaja ngurus tatanen, paman teh anu estu, rebu nuhun ka kěrsa eulis, sumêdja nampi pisan, kahojong sakitu, kêrsa rurumpaheun manah, kana damêl buburuhun bangsa laip, di tempat pagunungan.
5.  Ajeuna mah mangga atuh linggih, ka rorompok urang rěrěmpagan, sarêng sugan hojong ngarot, gantjangna nu ditjatur, njumanggakeun Dewi Pramanik, sarêng Ratna Suminar, Mandra hanteu kantun, ka puntjak gunung djalêngkar, Turna -Turni leumpangna heulaeun Putri, wantuning tuduh djalan.
6.  Katjaturkeun harita teu lami, kana puntjak gunung geus darongkap, Turna Turni seug beberes, njingkirkeun bětrak-bětruk, eukeur baris linggih praputri, Dewi Pramanik těras, sarêng Ratu Aju, lalinggih di djěro imah, ngan nu tinggal Njai Patih Mandarawati, di tepas dadapangan.
7.  Ratu Putri djeung Dewi Pramanik, barang sup teh kana djêro imah, maranahna langkung kaget, ngaharulêng teu njaur, tina margi langkung utami, dina djěro imahna, parabot aralus, têngah imah dilampudan, ku beberan pramedani rupi-rupi, estuning matak heran.
8.  Djeung parabot papaes teu sêpi,crak-crak pigura djeung. katja, lomari kênap djeung kapstok, di lawang enggon sěkung, djadi heran manah praputri, margi ku hanteu njana, tjatjakan di gunung, sarta djauh ka nagara, kaajaan parabot di djuru tani, pêdaran ti nagara.
9.  Turni tatjan majunan ka Putri, da di dapur keur ribut popolah, baris tuangeun praputren, njanga-njanga djeung njangu, meuntjit hajam anak si Kutrik, harita geus sadia, tuangeun tatamu, běrěsih sarta alusna, Putri kaget kaolahanana Turni, karadjinan nagara.
10.  Saenggeusna harita teu lami, dimanggakeun ku Turni djeung Turna, gantjang sami tuang bae, Turna Turni teu kantun, ngiring dahar ka para Putri ngan Mandra nu sorangan, teu milu ngariung, sorangan tjatjaleuhakan, dahar ponjo kedjona oge sasaid, angeun sadjadjambaran.
11.  Sabadana taruang praputri, ladjêng lungsur nariis di těpas, dina bantal tinggelehe, Turna Turni teu kantun, darariuk pajuneun Putri, djeung teu pětot naringal, ka eta tatamu, rêsêp ku sami geulisna, ari nudju naringal ka Mandrawati, Nji Turni djeung Ki Turna.
12.  Tingpurungkut rada hate gimir, hanteu wani hate ngadeukeutan, pikirna sieun disantok, tina sabab saumur, nëmbe manggih nu kitu rupi. [ 167 ]pangaděg lir badawang, huntu lir baliung, Dewi Pramanik harita, hanteu pěgat heran ka Turna ka Turni, ku kaajaanana.
13. Panasaran Sang Dewi Pramanik, hojong pisan mariksa asalna, ka eta djuru tatanen, teu ladjěng njaur, Sang Pramanik ka Turna Turni, eh bibi sarěng paman kula aja maksud, rek nanja nu saenyana ari paman ti mana asa tadi,mun nagri nagri mana.
14. Tjobi kula bedjaan nu sidik, ulah pisan didjieun rasiah, disidém di djěro hate, da pikir kula estu, ka paman teh sarěng ka bibi, katingal beda pisan, lain tědak gunung, dina sagala pěrkara, kawas-kawas paman asal urang nagri, rupa djeung kaajaan.
15. Tina sabab eta mugi-mugi, paman bibi ulah asa-asa, njarita asal pribados, ku kula rek didangu, barang Turna reudjeung Nji Turni, nampi pamariksaan, ngahuleng tarungkul, djeung ngomong djěro atina, aeh-aeh naha ieu istri-istri, ka aing ngalelekan.
16. Kawas anu uninga ka aing, laku lampah asal kieu pēta, mangkalan kana tatanen, tapi aing pěrělu, njaritakeun lampah nja diri, sugan djadi lantaran, geusaning tiněmu, waluja makbul nja maksad, hanteu lila sanggeus ngomong dina ati, Ki Turna ngawangsulan.
17. Pěrèkawis eulis aja galih, hojong těrang asal diri paman, mangga paman rek njarios, awit paman nu estu, jaktos asal urang nagari, dupi ngaran dajeuhna, mashur Sulungtubu, dupi nu djadi Ratuna, Kangdjěng Radja Sri Maha Langlangsonadji, lantjeuk paman sabapa.
18. Papatihna nja paman pribadi, paman ngaran Arja Langlangturna, dupi marga ngalalakon, aja di ieu gunung, lalampahan migawe tani, kieu asalna paman, pang ti nagri njingkur, asalna Sang Langlangsona, kagunganeun putra dua ti meswari, pagěgět nu tjikalna.
19. Nu pameget Den Mas Raraspedi, sarta enggeus kagungan geureuha, ka putri Sang Maha Katong, ngaran Dewi Mindanur, putri Ratu Banuja nagri, ari putra bungsuna, istri sarta mulus, orok juswa dua bulan, leungit musna tina pagulingan putri, duka ka mana losna.
20. Ratu langkung saleungitna putri, nandang manah nu leuwih terěsna, lungse bawaning prihatos, ku leungit teu pupuguh, lain leungit asal ku pati, dumugi ka harita, Ratu njaur nudjum, rěsi nu těrus paningal, ngaran Rěsi Muhamad Komar Tohidi, patapan Ragatoja.
21. Eta Resi piundjuk ka Gusti, pang leungitna aja anu mawa, bangsa djin nu njolongna teh, tatapina ka pajun, eta putri kapěndak deui, ngan kudu djeung tarekah, saur eta nudjum, Ratu kedah miwarangan, mantri anu kasěbat utami, aja pangawasana.
22. Didawuhan djadi djuru tani, dina hidji těmpat pagunungan. [ 168 ]kalingkung ku leuweung ganggong, ngaran gunung Sirkawur, eta kitu piundjuk Rěsi, ka Sri Maha Nalendra, paman seug piundjuk, montong miwarang nu lian, paman bae panuhun ka Kangdjěng Gusti, nu bade indit měgat.
23. Diidinan paman ku Djěng Gusti, sarta těras paman djeung embina, ngadjugdjug ka dieu bae, duaan taja batur, těrus mukim djadi djru tani, nja dongkap ka ajeuna, paman hěnteu wangsul, nu kaetang kalamian, tudjuh bělas tahun “mo kurang “mo leuwih, di dieu nja ngumbara.
24. Sang Pramanik langkung kaget galih, ngadangukeun tjariosan Turna, estu leuwih tina aneh, ngan njaur lěbět kalbu, ěmh paingan rasaning ati, njagka ka jeu djalma, lain bangsa kampung, ajeuna geus kabuktian, sihoreng teh kawasa papatih nagri, Aria Langlangturna.
25. Eta kitu manahna Pramanik, hěnteu pisan sasauran lisan, ngan wungkul ngahulěng bae, Sang Putri djin nja kitu, sami sarěng Dewi Pramanik, nandangan kaget manah, hanteu lami njaur, Ratnta Suminar ka Turna, naha saha ngaranna anu sajakti, putri nu leungit tea.
26. Langlangturna ngawangsul ka Putri, nu kaemut ku paman ngaranna, Ratna Suminar sajaktos, eta kenging Sang Ratu, papariksa ti para rěsi, mupakat hal djěněngan, supados rahaju, tatapi kitu buktina, batan mulus rahaju bět anggur leungit, musna ti padjuaran.
27. Sang Putri djin ngadangukéun warti, jen kakasih anu leungit tea, tjara andjeunna sajaktos, nambahan heran kalbu, sarta langkung Sang Ratu Putri, sumiak paromanna, ngahulěng teu njaur, sarta ngěpěr salirana, Sang Pramanik manahna nja kitu deui, tjara Ratna Suminar.
28. Tungtungna mah Sang Dewi Pramanik, sarěng rai Sang Ratna Suminar, teu petet papělong-pělong, sartana ararimut, tina leuwih nja sisip galih, ku djalan eta pasal, aneh matak, bingung, kawas rek aja ahirna, hanteu lami Dewi Pramanik ngalahir, ka Sang Ratna Suminar.
29. Ieu pasal matak heran leuwih, sarta matak njulajakeun rasa, tina kalintang ku aneh, ngan atjeuk langkung-langkung, panasaran djěroning ati, kumaha balukarna, anu matak kitu, ngawangsul Ratna Suminar, rai oge langkung kukurajeun diri, dumugi sisiakan.
30.Malah djadi panasaran ati, hajang geura těrang balukarna, emutan tinangtos aneh, ku margi eta kitu, waktos ieù paněda rai, upami karěmpagan, sědja rai ngutus, ka bibi Aria Mandra, sina mios ngala paman Mantri Ginggi, di těgal pasanggrahan.
31. Sarěng bibi Patih Mandrawati, kědah pisan sina mawa sěrat, ka Sang Raraspedi Katong, supados djadi maphum, Raraspedi měnggah ka rai, jen di dieu nja aja, Pramanik ngawangsul, atjeuk sakalintang. [ 169 ]rěmpag, aming kědah enggal-enggal ulah lami, supados gantjang dongkap.
32. Saparantos Pramanik ngalahir, Ratu Putri ka Turna ngandika, tjoba paman sugan njondong, kěrětas urut-urut, djeung mangsina kula rek nulis, baris ka Sang, Banuja, Ki Turna ngawangsul měnggah parabot njěrat mah, aja hibar di paman rada sajagi, da bantun ti nagara.
33. Gantjangna teh ieu nu digurit, téras bae Ratu Putri njěrat, baris Raraspedi Katong, ari sanggeusna tutup, Putri njaùr ka Mandrawati, bibi Patih ajeuna, leupang buru-buru, kudu mawa ieu surat, baris Ratu Banuja Sang Raraspedi, anu keur masanggrahan.
34. Dina těgal sarta aja tjiri, hidji kai ngaran Langlangsona, rupa-rupa daunna teh, luhur tur ngarunggunuk, pěrěnahna mo geseh deui, ti dieu ngaler-ngetan, nu kudu didjugdjug, pek ajeuna geuwat-geuwat, didungakeun ku kula masing walagri, anggang djeung pantja baja.
35. Mandrawati njumanggakeun gasik, nampi serat ti Ratna Suminar, teu lami ngabigbrig bae, sartana těrus ngapung, kěndor sabab aběr ku angin, Turni djeung Langlangturna, rěsěpeun kalangkung, ningal buta ngawang-ngawang, njararebut ilih siga balon badis, ngagigeug dina mega.
36. Mandra enggeus hěnteu katingali, tuluj bae Nji Turni djeung Turna, njělang arasup ka pawon, arek ngadon tjatjatur, tjeuk ki Turna eh tjoba Turni, ieu praputri dua, asa kakang tangtu, moal kana samanea, turug-turug tadi njěbat Raraspedi, djeung Raden Gendarata.
37. Sabab eta kudu pisan Turni, hade-hade sarta sing utama, ngahadépan para putren, tina sabab tinangtu, ieu istri moal sak deui, kana aja balukar, geusaning tiněmu, kana těrbuka laksana, nu dipěrih ku tekad urang pribadi, kurnia kawalujan.

Pangkur

1. Pramanik Ratna Suminar, di Sirkawur lamina tudjuh wěngi, ku Turna-Turni diugung, sarta teu meunang anggang, djeung ditjaram lungsur ngalantung teu puguh, salian angkat ka djamban, kitu ge diiring-iring.
2. Gantjangna ieu tjarita, tunda heula praputri nu keur linggih, di puntjak gunung Sirkawur, malik deui tjarita, katjaturkeun nu aja di Sulungtubu, Sri Maha Ratu Banuja, sinarěng wadya pradjurit.
3. Kitu, deui Arja Kumba, masih keneh teu bisa usik-malik, djadi [ 170 ]170

teu paeh teu hirup, ngan wungkul gêgêrungan, tatapina aneh hanteu djadi lampus, tjatjakan teu diparaban, teu aja orotna daging.
4. Sartana dina têmpatna, hanteu aja pisan keur aling-aling, atuh kapoe kaibun, wungkul disasarapan, ku sagala barubutan samak butut, ngan ukur ditalutugan lir těmpat pandjara sapi.
5. Malah raga Arja Kumba, waktu eta tetela katingali, gědena, sagêde lêmbu, turug? sihungan, atuh djadi kaget prawadya soldadu, tina kitu balukarna, Arja Kumba Aringaring.
6. Kotjap Sri Maha Banuja, Gêndarata sinarêng Mantri Ginggi, Pramadia hanteu kantun, di djêro pasanggrahan, hanteu lami Ratu Raraspedi njaur, ka Raden Mas Gêndarata, rai lintang kaget ati.
7. Tina hanteu njana pisan,balukarna Sang Kumba Aringaring, pangadègna rupa kitu, pangawak duruwiksa, palangsiang raka Ratu oge kitu, Sang Ratu Putiasukma, bebet duruwiksa djurig.
8. Gendarata ngawangsulan, wangkid ieu Gusti pamugi-mugi, ulah waka gêruh kalbu, marga tinangtos pisan, Maha Ratu Putiasukma ge kitu, sapêrtos Aria Kumba, aja balukar di ahir.
9. Mung abdi Gusti ajeuna, bade aja piundjuk ka Djěng Gusti, marga dintěn ieu estu, bade aja nu dongkap, hidji buta piwarangan Ratu Aju, Sang Adjêng Ratna Suminar, sarêng Sang Dewi Pramanik.
10. Mung wungkul ngabantun sêrat, marga eta mugi Gusti tingali, teu lami Ratu ngadawuh, ka Patih Pramadia, tjoba atuh embarkeun ku Patih kudu, ka sakabeh praponggawa, reudjeung ka wadya pradjurit.
11. Supaja dina datangna, balad-balad teu geruh kaget ati, njarangka buta teu puguh, teu lami Raden Atja, saparantos nampi dawuhan ti Ratu, njêmbah těras embar-embar, ka para wadya pradjurit.
12. Tunda Sri Maha Banuja, katjaturkeun Nji Patih Mandrawati, masih ngalajang di luhur, ningalan hěnteu kêndat, rurat-reret ka saban tetelar gunung, neangan têgal nu aja, gundukan wadya pradjurit.
13. Bawaning ku kaapikan, Mandrawati tina têngah wiati, saluhureun Sulungtubu, awas ningal ka handap, sarta sidik aja kai ngarunggunuk, reudjeung aja pasanggrahan, Mandra ngomong dina ati.
14. Lah kawas-kawasna eta, pasanggrahan Sang Ratu Raraspedi, ku aing arek didjugdjug, sabab pěrtela pisan, tangkal kai gede sarta ngarunggunuk, sanggeus ngomong kitu Mandra, turun ti têngah wiati.
15. Barang geus datang ka handap, Mandrawati lungak-longok teu tjitjing, lir barong mêta malulu, panon buburilengan, di pajuneun pasanggrahan Maha Ratu, djeung bari ngagaro sirah, Arja Patih Mandrawati.
16. Sri Maha Ratu Banuja, Gêdarata sinarêng Mantri Ginggi, geus [ 171 ]173

waspada ka nu tjunduk, Maha Ratu ngandika, geuning itu buta teh bet enggeus tjunduk, sidik tina djumantara, datangna barêng djeung angin.
17. Hayu urang dareukeutan, bisi bae buta nu sedjen deui, Gendarata seug ngawangsul, njumanggakeun ka Radja, hanteu lami těras Sang Sri Maha Ratu, lungsur ti djro pasanggrahan, geus těpang djeung Mandrawati.
18. Teu lami Ratu Banuja, pok mariksa ka Patih Mandrawati, maneh arek naon maksud, datang ka ieu tegal, Mandrawati ka Maha Ratu ngawangsul, nu matak ka dieu kula, rek ka Ratu Raraspedi.
19, Kaula ngêmban dawuhan, ti keresa Putri Ratu nagri djin, dajeuh di bumi pingpitu, Adjeng Ratna Suminar, ka kaula miwarang kudu ngabantun, surat ka Ratu Banuja, anu ngaran Raraspedi.
20. Ngandika Ratu Banuja, nja kaula nu ngaran Raraspedi, Ratu Banuja nu estu, tjoba mana suratna, djéung di mana ajeuna Sang Ratu Aju, Mandrawati ngawangsulan, pêrkara Sang Ratu Putri.
21. Waktu ajeuna lenggahna, sasarêngan sarêng Dewi Pramanik, di puntjak gunung Sirkawur, di aki pangêbonan, hanteu lami Mandra saenggeus piundjuk, ditjandak ka pasanggrahan, ku Sang Ratu Raraspedi.
22. Diukna ogedi handap, sabab korsi moal aja nu mandjing, baris Mandrawati diuk, teu lami Sang Banuja, maos sêrat ungêlna anu kamaphum, kang rama Ratu Banuja, nu linggih di têgal kai.
23. Kang putra hatur uninga, tina margi ajeuna putra jakti, aja bêrkah paman estu, laksana pamaksudan, enggeus têpung sarêng nu di susul-susul, Sang Dewi Pramanik tea, di gunung Binarum masdjid.
24. Tatapi ajeuna putra, keur pělěsir ngiring Dewi Pramanik, di puntjak gunung Sirkawur, putra tatjan kantênan, piwangsuleun ka tětělar Sulungtubu, karana ngantos dawuhan, ti kêrsa Dewi Pramanik.
25. Ngan ajeuna maksud putra, Arja Patih Ki Kumba Aringaring, ajeuna teh buru-buru, ku Ginggi kudu bawa, ulah elat ka puntjak gunung Sirkawur, barêng djeung ieu djurungan, Aria Patih Burbani.
26. Djeung kadua pěrkarana, sadajana ulah waka njalingkir, tina Têgal Sulungtubu, antos heula kang putra, salam putra di puntjak gunung Sirkawur, Ratu Karang-panjiksaan, Ratna Suminar putri djin.
27. Barang tamat maos sêrat, Sang Banuja ka Den Gěnda ngalahir, bêt sêrat aja pamundut, Adjêng Ratna Suminar, miwarangan Arja Kumba sina bantun, ku Ki Mantri Padjarangan, ka Sirkawur têmpat tani.
28. Djeung ieu nu mawa surat, diungêlkeun dina salêbêt tulis, Papatih Burbani estu, djadi rentjang Sang Ratna, kaduana njarios parantos tepung, djeung Dewi Pramanik tea, tepangna di gunung Masdjid. [ 172 ]172

29. Ku marga eta ajeuna, wangkid ieu menggah rai nu jakti, mung emutan hênteu langkung, kumaha kersa kakang, naha rempag mun didjurungkeun dibantun, da puguh djelema urang, ieu Kumba Aringaring.
30. Upama kakang teu rempag, naha nanggel dina benduna Putri, tjobi rai nêda saur, mupakat manah kakang, hanteu lami Gěndarata seug ngawangsul, mung raos abdi Gusti mah, sae kintunkeun ka Putri.
31. Margi keur naon damêlna, diajakeun Sang Kumba Aringaring, emutan karidu-ridu, kadua pêrkawisna, saupami raka Gus anu estu, Sri Maha Putiasukma, njusul ka salira Gusti.
32. Njababkeun marga teu kêbat, ngabêlênggu Sang pimajah narpati, Dampal Gusti aja daku, sěbatkeun Arja Kumba, leungit musna tina Têgal Sulungtubu, duka kabur duka minggat, embungeun didjieun saksi.
33. Ngandika Ratu Banuja, ka Aria Mandrawati djeung Ginggi, nja-heg bae atuh bantun, reudjeung ieu kaula, titip surat baris ka Sang Ratu Aju, badaratna muga-muga, kêdah enggal deui sumping.
34. Hanteu lami Arja Kumba, ku Aria Mandrawati djeung Ginggi, dibuntêl ku lajar butut, ditumbuan ku kasang, sanggeus buni dibeungkeut ku tambang indjuk, bisina gugurindjalan, ragrag ti têngah wiati.

Sinom

1. Gantjangna ieu tjarita, Mandrawati Mantri Ginggi, têrus njêmbah ka Sri Nata, seug njarita Mantri Ginggi, ka Patih Mandrawati, tjing ku êmbok bae panggul, ngan ulah disasaran, bok bilih buntutna usik, walon Mandra êmbung sieun ngagurindjal.
2. Nji Aria Patih Mandra, hanteu lami ladjêng singkil, trus manggul gulungan Kumba, biur ngapung ka wiati, diiringkeun ku Ginggi, lir manggul gulungan kasur, ngěbut di djumantara, ngawingking tibabaranting, da katêbak ku topan di djumantara.
3. Tunda nu di awang-awang, kotjap deui para putri, Pramanik Ratna Suminar, harita nudju lalinggih, teu kantun Turna Turni, di tepas nudju ngariung, ngaleueut sukan-sukan, Dewi Pramanik ngalahir, ka kang rai Sang Adjêng Ratna Suminar.
4. Naha aji geuning lat, bibi Patih Mandrawati, masih keneh tatjan datang, diitung geus gěněp peuting, nu djadi kaaringgis, Sulungtubu teu katimu, tuluj kalunta-lunta, ka gunung nu lian deui, ngawangsulan [ 173 ]Sang Adjěng Ratna Suminar.
5. Upami pun Patih Mandra, teu dongkap dina sasasih, rat pribados njusulan, atanapi saupami, atjeuk luntur nja galih, sarěng atjeuk bae njusul, sambian pělěsiran, ngawalon Dewi Pramanik, lah atjeuk mah susah da kendor leumpangna.
6. Kadangkala djeung atjeuk mah, mo domikep sapuluh sasih, ka tempat nu disusulan, malah boa-boa teuing, něpi ka moal panggih, sabab nu disusul ngapung, nu njusul napak lemah, tjobi ku aji gen lébah mana kana pibisaeun těpang.
7. Ngawangsul Ratna Suminar, montong djadi sěmang alih ku teu jasa ngawang-ngawang, lampah ngadampal 'na angin, rai sanggěm teh teuing, ka atjeuk ngabantun ngapung, Sang Pramanik ngandika, eh Allah kadeuleu teuing, meureun aneh djiga heulang mawa hajam.
8. Naon kagindinganana, meureun djadi matak seuri, da puguh gugurawilan, ngawangsul Sang Adjěng Putri, bari gumuju manis, moal dumugi ka kitu, tina margi rai mah, bubuhan anak bangsa djin, muhit pisan, kana sipat djimat-djimat.
9. Sang Dewi ngartoseun pisan, kana saur Sang Putri djin, emutan tinangtos pisan, Sang Ratna Suminar njangking, bangsa djimat parānti, kana pikeun barang bantun, anu sok disarěbat, ku anu geus taringali, njata djimat tjupu manik astagina.
10. Sarta teu lami ngandika, ari kitu mah nja ngiring, mun geus puguh hanteu datang, bibi Patih Mandrawäti, gantjangna nu digurit, barang eukeur guněm tjatur, Ginggi djeung Patih Mandra, ngawingking tina wiati, gudjrag datang ka buruan imah Turna.
11. Gulungan Aria Kumba, gěblug ditinggangkeun tarik, tjara nu nindihkeun tjatang, kaget Ki Turna Nji Turni, jen ningal Mandrawati, datang sarta angkaribung, panjětana Ki Turna, marukan bangsa rědjěki, dibaroro ku Turni reudjeung ku Turna.
12. Barang geus didareukeutan, ku Turna Turni kakuping, disada haharěgungan, Turna Turni balik deui, djeung nj£but sieun teuing, Ki Mantri Ginggi katjatur, těpang sarěng dunungan, nja eta Sang Ratu Putri, těrus njěmbah sudjud ka dampal sampean.
13. Sarta njěbat duh gamparan, naha kitu-kitu teuing, angkat teh kalunta-lunta, tega nilar djisim abdi, dugi sataun leuwih, dikantun di Sulungtubu, sinarěngan kumaha, gamparan parantos hasil, nu dipantěng dina salěběting manah.
14. Ratna Suminar ngandika, djeung bari bidjil tjitangis, kagagas marga ku waas, saurna eh paman Mantri, mungguh kula sajakti, běrěkah. [ 174 ]meunang rahaju, djeung hasil sapaněda, sakahojong hanteu djalir, taja lian ngan běrkah pandu'a paman.
15. Sang Adjěng Ratha Suminar, saparantosna ngalahir, ladjěng bae miwarangan, ka Aria Mandrawati, sarta ka Mantri Ginggi, sina di tepas dariuk, gantjang nu ditjarita, geus sami di těpas tjalik, putri-putri duaan nu dina dipan.
16. Mantri Ginggi hanteu pěgat, ningal ka Dewi Pramanik, sartana enggeus sumangka, dina sadjěroning ati, jen moal gagal deui, Dewi Pramanik tinangtu, nu ditėèangan tea, ku Sang Adjěng Aju Putri, Mantri Ginggi kitu pipikiranana.
17. Sarta katjida kagetna, ku rupi Dewi Paea in tina kalangkung geulisna, ngungkulan ka Sang Putri djin, katjatur Sang Pramanik, asihna kaliwat langkung, ka Mantri Padjarangan, ku tina gagah barani, bisa nangkèp ka Aria Patih Kumba.
18. Sarta teu lami ngandika, Dewi Pramanik ka Ginggi, kaula kakara pisan, djeung salira paman panggih, sartana laksakěti, pikir nuhun ka Jang Agung, dipanggihkeun ajeuna, kula djeung paman pribadi, muga-muga djadi wargi sapandjangna.
19. Mantri Ginggi ngawangsulan, měnggah adjěngan ngalahir, tina kabingahan manah, anu hanteu aja tanding, margi anu ngadjadi, wireh adjěngan nu estu, ajeuna jasa těpang, sarěng pun paman pribadi, rebu nuhun dianggo kabingah manah.
20. Saenggeusna ngawangsulan, Ginggi reudjeung Mandrawati, barang dahar sukan2, panjuguhan Turna Turni, ngan Kumba Aring-aring, mas Tibeungikeut digulung, dina buruan imah, Dewi Pramanik ngalahir, ka kang rai Sang Adjěng Ratna Suminar.
21. Atjeuk ku hajang ningalan, Patih Kumba Aringäring, tjing tjobi timbalan buka, supajana atjeuk sidik, teu lami Ratu Putri, saparantos nampi saur, seug těras miwarangan, nja eta ka Mantri Ginggi, ngudar beungkeut Aria Patih Ambarak.
22. Barang geus udar talina, katingali ku Sang Dewi, jaksa nu leuwih gědena, sihung pandjang sarta ngělik, buuk gimbal tjurintik, Sang Dewi Pramanik njaur, kutan kieu rupana, ngaran Kumba Aringaring, surup patut djuru těnung lampah murka.
23. Ajeuna hanteu djamuga, ieu Kumba Aringaring, njorang bahja anu nista, kadangkala njorang pati, wawalés hiri-déngki, Ratna Suminar ngawangsul, ratuna ge kantěnan, ku rai dihukum pati, anu ngaran Sang Ratu Putiasukma.
24. Margi eta pamawana, lampah kana hiri-déngki, amung ajeuna [ 175 ]sumangga, urang něraskeun nu tadi, mariksa Turna Turni, anu djadi asal-usul, lantaran luluntaan, ngawalon Dewi Pramanik, nja sumangga ku aji geura pariksa.

25. Teu lami Ratna Suminar, ngalahir ka Mantri i Ginggi, ajeuna maksud kaula, ting leuwih suka ati, sabab maksud ngadjadi, salamět mulus rahaju, laksana bisa těpang, sarěng Sang Dewi Pramanik, maksud kula ajeuna rek pakaulan.

26. Arek nanggap dongeng Turna, rětdjeting ieu bibi Turni, ku paman Mantri pamuga, dengekeun masing kaharti, njumanggakeun Ki Mantri, ka kěrsa Sang Ratu Aju, těras deui Sang Ratna, ngalahir ka Turna-Turni, miwarangan pili gěnti tjatjarita.

Kinanti

1. Hanteu lami Turna těrus, ngambangkeun dawuhan Putri, ngadongeng laku-lampahna, dititik diapik-apik, satapak hanteu kaliwat, ti awit djadi papatih.

2. Di nagara Sulungtubu, leungit putri Sang Narpati, tina djěro pagulingan, dumugi kana ngadjadi, Arja Patih Langlangturna, daměl kana djuru tani.

3. Di puntjak gunung Sirkawur, sarěng garwa Kal Turni, alias Siti Turnia, sartana kana dumugi, patěpang sarěng sadaja, harita djeung para Putri.

4. Barang Turna enggeus tutup, njarita ka para Putri, kadangu ku sadajana, aneh sarta leuwih-leuwih, ngagetkeun kana manahna, lalakon Turna djeung Turni.

5. Ki Mantri Ginggi katjatur, pias sartana ngagidir, tjara anu nandang reuwas, jen nguping Turna wawarti, Ratna Suminar waspada, ningali ka Mantri Ginggi.

6. Ratna Suminar kalangkung, kaget salěběting galih, sartana těrus mariksa, Sang Putri ka Mantri Ginggi, pereg sarta tandang dangah, wantuning adat sasari.

7. Paman Mantri naha kitu, rupa pias tur ngagidir, rumenghap tjara nu reuwas, wuri-wuri nguping warti, dongeng paman Langlangturna, paman ngagidir lir gimir.

8. Ku naon nu matak kitu, kawas aja pasal margi, kabuka lampah.
[ 176 ]rasiah, tjing kula menta nu sidik, tjarita nu djadi sabab, kareuwasan paman Mantri.

9. Ulah dikandung dikěmu, tegesna dipinding-pinding, ka kula sing těrus těrang, lamun paman baha pasti, kula moal ngahampura, ka diri paman pribadi.

10. Sanadjan bela tumutur, ngadjaring milampah ngiring, bumela taja tjetjega, paman ka kula pribadi, moal didjieun halangan, něrapkeun hukuman pati.

11. Da meureun paman ge maphum, di adat kula pribadi, sakětjap kadua gobang, taja panolih pamilih, ka djalma nu lampah salah, nadjan ka bangsa Bopati.

12. Tina sabab eta kitu, ku paman pikir sing lantip, mun hanteu daek tjarita, tangtu paman njorang pati, asal panghukuman kula, lamun keukeuh paman mungkir.

13. Mantri Ginggi langkung-langkung, bingung sadjěroning ati, nampi lahiran Sang Ratna, ngomong sadjroning ati, eh aing tiwas katjida, kabuka rasiah tadi.

14. Aing teh kumaha atuh, malar salamět nja diri, hanteu njorang pantjabaja, balahi nu leuwih-leuwih, hukuman Sang Putri Ratna, ku lantaran aing mungkir.

15. Sanggeus Mantri mikir kitu, ngawangsul ka Ratu Putri, djeung tungkul teu wěrat tanggah, bawaning ku sieun leuwih, ku tandang Ratna Suminar, risi djol djěbet nampiling.

16. Pokna Mantri Ginggi aduh, gamparan ratuning putri, djisim abdi nampi pisan, dawuhan hojong tingali, kana anu djadi marga, měnggah diri djisim abdi.

17: Ngagidir sarěng rumandjug, nguping dongeng djuru tani, dupi nu djadi margina, karaos ku djisim abdi, kabuka pasal rasiah, nu asal dibuni-buni.

18. Ajeuna djadi katěmbus, mo kenging dipinding-pinding, mung sim abdi panuhunan, laksa-kěti mugi-mugi, gamparan djěmbar kawělas, ka diri abdi pribadi.

19. Hanteu djadi galih běndu, agung-agung pangaksami, ku margi kieu awitna, nalika kapěngkěr Gusti, Sri Maha Tolongtělengan, rama gamparan sajakti.

20. Nudju kasumpingan wahju, ngimpen dina hidji wěngi, patěpang sarěng ejangna, Sang Sri Maha Barakgiri, dina salěbět impenan, wawarti ka Kangdjěng Gusti.

21. Saurna ejang mitutur, supaja djadi kaharti, mangkena Tolong[ 177 ]tělěngan, djeung sakabeh rat nagri djin, bakal kataradjang sangar, baruntak ruksak nagari.

22. Sarta tangtu lampus tumpur, moal aja anu kari, sakur bangsa kadjinan mah, ku panas nu leuwih-leuwih, moal beunang ditambaan, sanadjan ku bangsa rěsi.

23. Tapi lamun hajang mulus, teu tulus njorang balahi, sangar panas hanteu kěbat, aja panulakna deui, kudu njiar masing meunang, putri terahing narpati.

24. Bangsa kamanusan istu, kukut sarta pusti-pusti, ugung mongmong djieun anak, supaja mangke di ahir, sangar panas hanteu kěbat, ku pitulung ngukut putri.

25. Sakitu impenan Ratu, siangna těras ngalahir, ka Patih Lungabarahma, malah diembarkeun deui, ka sadaja pradipatya, sabawahan Kangdjěng Gusti.

26. Nimbalan saha nu sanggup, neangan putri narpati, bangsa těrahing manusa, sarta dikědahkeun kenging, lamun aja anu bisa, tangtu digandjar ku Gusti.

27. Sadaja piundjuk sanggup, kana dawuhan Sang Adji, teu lami sami ubiag, bopati patih pramantri, ka dunja těmpat manusa, pada tekad kana maling.

28. Lamina něngahan taun, sadajana sararumping, ti dunja kamanusaan, sami rěpotan teu kenging, samalah Lungabarahma, milari indit pribadi.

29. Amung lapur hanteu nimu, putri těrahing narpati, sumpingna dugi ditjikrak, Ratu wuwuh ewěd galih, tina hanteu katjaosan, dugi ngujung siang-wěngi.

30. Sarta tara lungsur-lungsur, Sri Maha Ratu ti puri, bawaning langkung sumpěgna, sarěng harita sim abdi, memeh djadi mantri guha, ngadjagi daměl di puri.

31. Djadi mantri djuru-hawu, kenging gadjih gěněp pitjis, sarěng sore isuk alas, hanteu lami djisim abdi, tina ngupingkeun dawuhan, embaran ti Kangdjěng Gusti.

32. Saha-saha anu sanggup, neangan sartana hasil, njiar putri kamanusan, digandjar ku Kangdjěng Gusti, abdi emutan kabita, kana embaran Sang Adji.

33. Teu lami těras piundjuk, djisim abdi ka Djěng Gusti, sanggěm njiar kamanusan, putri těrahing narpati, Kangdjěng Ratu ngawidian, kana panuhun sim abdi.

34. Barang djisim abdi těrus, mios ti pusěring bumi, gujur sanagri. [ 178 ]Tolongan, njarěbat euleuh barani, djuru lelemet leletak, si purah miritan peudjit.

35. Aromonganana kitu, nu sirik ka djisim abdi, amung teu dipirosea, api-api teu kakuping, nja těras bae lumampah, pikir teu samar teu gimir.

Asmarandana

1. Hanteu lami abdi dugi, kana dunja kamanusan, ngalanglang dina lolowong, mung abdi wankid harita, lintang nandangan sěsah, ku aringgis hanteu nimu, putri bangsa kamanusan.

2. Tina abdi tigin ati, dugi dibelaan tapa, puasa teu botjor-botjor, lami-lami dumadakan, ningal ti awang-awang, sidik da teu pati luhur, pěrtela nagara djěmbar.

3. Teras turun djisim abdi, lěbět ka eta nagara, ngadjugdjug karaton bae, amung abdi hanteu těrang, ngaran eta nagara, ku margi abdi saumur, němbe ngambah kamanusan.

4. Abdi asup, ka djro puri, nudju ratuna keur lěnggah, sarěng meswari di gědong, ka sim abdi hanteu ningal, wantu abdi kadjinan, djongdjon bae guněm saur, sarěng sadaja rengrengan.

5. Abdi nangtung ulak-ilik, těras lěbět kana kamar, pagulingan Maha Katong, barang lěbět dumadakan, lantaran bagdja awak, měndak murangkalih lembut, kira juswa tilu bulan.

6. Ditingalan sidik istri, sarta nudju kulěm tibra, dina djěroeun gunalong, didjaga ku para emban, ku abdi hanteu tata, murangkalih seug dirawu, ti hareupeun para emban.

7. Teras dibantun ku abdi, ti puri ka awang-awang, sarěng hanteu liren-liren, ka nagri Tolongtělěngan, teu lami abdi dongkap, ka pajuneun Maha Ratu, di djěro gědong paměngkang.

8. Barang katingal ku Gusti, abdi dongkap babantunan, Ratu langkung gupjakna teh, murangkalih seug ditjandak, sarta ditingalian, malah tjotjog sapamundut, putri bangsa kamanusan.

9. Amung harita Sang Adji, aja manah rada hamham, ka eta murangkalih teh, bilih sanes putra radja, antara sasasih mah, aja ngolembarna kalbu, malah-malah sěring pisan.

10. Ratu njumpahan ka abdi, tina teu pěrtjaja manah, mung lami-lami Sang Katong, tina bawaning ku palaj, uninga saenjana, bisi murangkalih palsu, lain těrahing kusumah.
[ 179 ]11.Dumugi ka mudjasmedi, něda ka para Batara mundut těrbukaning raos, sidik lainna-ěnjana, kitu galih Sri Nata, sarta bawaning ku tuhu, Djěng Ratu kenging těrbuka.
12.Soara tan katingali, pokna eh Sang Saksaria, ulah hamham samar hate, eta orok běněr pisan, putri těrah narpatya, Ratu nagri Sulungtubu, Ratna Suminar ngaranna.
13.Sakitu eta panglahir, anu kadangu ku Radja, dina pamělěngan raos, ti dinja mah Sang Sri Nata, ka eta putri tea, tigin ngangkén putra istu, diugung dienod pisan.
14.Dirorok didjaring-djaring, opat puluh emban-emban, nu ngobeng ka Sang Pinturen, mulus dugi ka ageungna, djadi putri kadjinan, mangkon guha Bungbungumur, bandjaran karang panjiksan.
15.Nja ti dinja djisim abdi, raga munggah Kana bagdja, dikěrsakeun djadi kuntjen, Mantri Djurung Padjarangan, digadjih saban bulan, gandjaran ti Kangdjěng Ratu, nja dumugi ka ajeuna.
16.Ratna Suminar ngalahir, ajeuna aja di mana, Putri kukutan ama teh, Mantri Ginggi ngawangsulan, nja gamparan buktina, margi Ratu mah nu istu, hanteu kagunganeun putra.
17.Barang ngadangu Sang Putri, lirik dilak naek darah, ngandika ka Mantri Kuntjen, lah aing kutan kukutan, těrahing kamanusan, turunan nu ngagěm luhung, titisan nu běragama.
18.Ngan aing pikir teu sudi, dipaling didjieun setan, sakaom djeung bangsa onom, děčděmit di sapatala, djadi bangsa silěman, sia anu boga laku, anu njieun kokotoran.
19.Tatapi ajeuna aing, tina bangět hanteu suka, didjieun sipat nu kotor, ku Ratu Tolongtělěngan, aing rek ngahukuman, sina tumpur adjur lěbur, sadjagat sakur kadjinan.
20.Bongan gawe kumawani, lampah ngabokong ngahina, maling aing ti karaton, didjieun sarat panumbal, měgat sangar nagara, dipake tamba pagěbug, tjara kana bangsa hewan.
21.Naha sia teu ti tadi, waktu aing di nagara, sia tjarita kitu teh, jen aing kitu asalna, anak ratu manusa, meuren bareto ge lampus, Ratu nagari kadjinan.
22.Ajeuna ge diri aing, ti dieu rek njělang heula, balik rek ngahukum bae, ka nu ngaran Saksaria, djeung kabeh ponggawana, sabawah bumi ping pitu sapoe mo burung bubar.
23.Mantri Ginggi barang nguping, lahiran Ratna Suminar, morobot bawaning djengkel, Mantri Ginggi langkung reuwas, meh bae njorang sawan, sieun ku Sang Ratu Aju, aringgis djěbet nanganan. [ 180 ]

  1.  Ngagidir bawaning gimir, tungkul hanteu ngawangsulan, tjara nu ngadjublěg bae, pajuneun Ratna Suminar, biritna kokoplokan, sarta beser mani ngutjur, ngan hanteu kaborosotan.
  2.  Katjatur Dewi Pramanik, ningal nu keur kapusingan, rai Sang Ratu Pinutren, tumungkul hanteu ngandika, ngan wungkul tjumalimba, hanteu lami těras njaur, ka Ki Mantri Padjarangan.
  3.  Naha atuh bongan teuing, paman mah bět taja tata, milampah maling-salah top, lamun diri kaula mah, nu dipaling ku paman, dibawa ka bumi pitu, didjieun putri narpatya.
  4.  Dipake tumbal nagari, paměgat kana baruntak, ngadjatnika di kuputren, diugung sarta dihormat, didjieun sipat djimat, ngaratuan Bungbungumur, di bandjar karang panjiksan.
  5.  Tangtu moal kieu diri, luluntaan njaksrak alas, leumpang ripuh ampir mopo, hanteu bisa gagantjangan, da puguh nintjak lěmah, tina hanteu bisa ngapung, djalan kana djumantara.
  6.  Kula bagdja mun dipaling, tinangtu djadi santosa, loba elmuning kasakten, kawantu djadi kadjinan, sok unggul ti manusa, sabab boga sipat lembut, lain raraganing kasar.
  7.  Kadua pěrkara deui, lamun kula dipaling mah, tangtu bae bisa amprok, reudjeung Pangeran Pinutra, anu keur djadi artja, meureun kula bisa nulung, nambakeun ka kamanusan.
  8.  Katilu pěrkara deui, Sang Sri Maha Saksaria, moal sagawajah bae, pangna nimbalan ka paman, maling těrah manusa, kukutan keur putra pulung, maunat Purnama Alam.
  9.  Jen bakal manggih balai, linggih dina padjarangan, djadi artja kadjadjaden, moal aja anu bisa, nulung ka Sang Pinutra, mun hanteu ku nu kadujung, kukutan Sang Saksaria.
  10.  Ngan ajeuna kula leuwih, boga pikir djadi naha, mun Sang Saksaria Katong, hanteu ngukut kamanusan, anu bakal melaan, kadangkala těrus lampus, Sang Putra di padjarangan.
  11.  Tangtu kula moal manggih, bedja ajana Sang Putra, da puguh taja nu njaho, mungguh bangsa manusa mah, nagri Tolongtělěngan, ajeuna aja pitulung, sidik ajana Sang Putra.
  12.  Kula nuhun laksa kěti, kana pitulunganana, Maha Saksaria katong, ku asal aja kěrsana, ngukut putra manusa, nu bakal ngaběndung ewuh, panulak kana baruntak.
  13.  Meureun ku paman kapikir, geuning buktina ajeuna, di djěro bandjar guha teh, kataradjang sangar panas, nu taja papadana, anak-anak kana tumpur, nagara Tolongtělěngan. [ 181 ]181

37. Hadena pintêr nu gaib, njadjakeun heula tumbal, samemeh datang sangar teh, djeung bisa milih-milihna, nu sarua pantarna, malar mulus nurub tjupu, djeung nu dina padjarangan.

Sinom

1. Sang Adjêng Ratna Suminar, ngadangu lahir Sang Dewi, kitu sasauranana, ka eta Ki Mantri Ginggi, ku Sang Ratu Putri Djin, kadjudi lêbêting kalbu, jen silib ka andjeunna, jen ku rusuh teuing pusing, njalah-njalah ka Radja Tolongtělengan.
2. Waka bidjil saur kasar, nu hanteu reudjeung pamilih, ngalêmêsan sipating hak, wintjikan djalan walagri, harita geus kadjudi, ku galih Sang Ratu Aju, sarta teu kira-kira, sumiak paroman Putri, leuleus lungse njuuh pajuneun rakana.
3. Nangis sartana sasambat, duh atjeuk djungdjunan ati, rai darma kirang tata, sêpi harti tanpa nolih, kana sipat pamilih, kalêbuh ku rusuh napsu, nu ngênjang kana murka, rantjana rêrêgêd ati, anu mêgat raratan kasalamêtan.
4. Rai tinimbang kieu mah, leuwih rai nandang pati, mangga ku atjeuk têlasan, supados rai lastari, njingkir ti alam lahir, tjape teuing ngurus napsu, teu kawawa ku hawa, rarambu rêrêmbêt ati, anu narik sulaja sipat satia.
5. Imut Pramanik ngandika, eh aji tong kitu galih, bêt ngumbar kana subaha, manah leuwih nadah pati, hanteu sae teh teuing, lamun kitu wuwuh-wuwuh, taja kaluginaan, hanteu tigin kana pasti, rek njoreang kana sakawenang-wěnang.
6. Aji teh lamun kitu mah, langkung tina galih tadi, tekad tega kana raga, naha aji hanteu eling, kana basa kiwari, anu sarupaning kitu, sabar sakaba-kaba, lain panarik sadjati, mati iblis lain djalan kasampurnan.
7. Ngan ajeuna aji muga, ulah kana deui-deui, ngadjudjur hawa teu paja, pěrtiti hanteu raspati, bisi pinanggih ahir, balukar ngandung kaduhung, leuheung lamun lugina, kumaha mun teu walagri, tangtu djadi kasawat lêbêting manah.
8. Moal langgêng lenggang rasa, djadi burět kurunjinji, sapandjang di pawênangan, sabab tara ngangon angin, angin hawa pribadi, anu djuru mawur tjatur, tukang liar pangudjar, sêpi pěrtingkah nu titih, da [ 182 ]kasembor ku pikir teu djeung panalar.

9. Ratna Suminar kalintang, wuwuh nandangan kaisin, nampi piwurukna raka, tungkul mando teu ngalahir amung Dewi Pramanik, těras deui bae njaur, ka rai Adjěng Ratna, ajeuna mah aji mugi, ulah aja bingbang rempan mamanahan.

10. Da puguh ěnggeus pěrtela, lalakon wiwitan aji, balukar urang sabangsa, malah boa-boa teuing, atjeuk sarěngan aji, kadangkala sakaruhun, ngan ajeuna pamuga, paman Turna bibi Turni, urang adjak barěmbag ieu pěrkara.

11. Teu lami Ratna Suminar, ngawangsul ka Sang Pramanik, bari nangis tjumalimba, aduh atjeuk měnggah rai, wangkid ieu nu jakti, mung njuhunkeun lědjar kalbu, agěng-agěng kawělas, maksad rai bade wakil, mangga bae atjeuk nu kědah wawarta.

12. Rai pěrmios sakědap, marga rai sisip budi, rumaos sasar pangrasa, himěng liwung suda budi, duka nu djadi margi, bět rai nandang mangpaung, raos di pangimpian, ajeuna manawi idin, maksad ngilěng ngala atji anu sětya.

13. Dewi Pramanik ngandika, ka rai Sang Aju Putri, mangga atjeuk ngawakilan, ngadjalankeun maksad aji, aji mah linggih-linggih, bilih mědal saur mawur, gělap djadi salah rap, katarik ku ngěrik galih, wantu-wantu djuru tunggaraning manah.

14. Gantjangna Pramanik těras, ka Turna Turni ngalahir, eh paman ajeuna putra, leuwih-leuwih liwung pikir, datang ka rasa ngimpi, margi měndak pasal kitu, ku tina teu njanana, jen ieu salira aji, putra Ratu Sang Sri Maha Langlangsona.

15: Anu diwarta ku paman, leungit tina djěro puri, ajeuna kadaring Allah, nurunkeun. titis djeung tulis, paman bisa papanggih, di puntjak gunung Sirkawur, sarta kasalamětan, putra ngiring bungah ati, kana sihna pitulung Anu Kawasa.

16. Ngan kula aja paněda, mungguh ka paman sajakti, sing tigin djeroning manah, ulah dumugi ngadjadi, leungit manah nu lantip, pukah tata anu kukuh, ku lantaran kabungah, kudu djaring ku kaeling, bisi mawur pikiran ku kasonoan.

17. Ngan ajeuna muga-muga, sing tigin djeroning galih, něněda ka Nu Kawasa, salamět lahir djeung batin, sarta nunuhun deui, kana kadaring Jang Agung, paman bisa laksana, sapaměrih anu tadi, ngantos-ngantos putra Sang Ratna Suminar.

18. Ajeuna jasa patěpang, ngan kari neangan deui, pikir djanglar kana mungkar, reudjeung ririwit nja lahir, pasal ieu pěrkawis, anu eukeur [ 183 ]dipilaku, kaluar ti nagara, beuti geusaning ngadjadi, njata tĕmpat raraga nadah kamuljan.

19. Moal sae salawasna, marunggon di leuweung rumbit, tjara tĕdak bangsa hewan, anu bodo taja budi, ku sabab eta mugi, ihtiar geusan rahaju, kaluar tina bahja, sakitu putra pamĕrdih, malar handjat kana wahju kawalujan.

20. Sarĕng kadua pĕrkara, putra menta bedja sidik, nagri Sulungtubu tea, parĕk atawana tĕbih, kira sabraha wĕngi, ti dieu lamun didjugdjug, Turna seug ngawangsulan, ka Sang Dewi Paramanik, langkung tĕbih mun leumpang nĕngahan bulan.

21. Sarĕng wangkid ajeuna mah, nagri Sulungtubu leungit, sabot ditilar ku paman, saeusina hanteu kari, musna kabawa leungit, duka margi djadi kitu, kantun paman bingungna basa waktu paman tadi, maksad njĕlang ngadeuheusan ka Sang Radja.

22. Dumugi hanteu těpangna, sarĕng salira Sang Adji, da nagrina hanteu aja, dipilari teu kapanggih, dugi satahun leuwih, paman njaksrak leuweung liwung, atuh tina teterna, paman teh nja wangsul deui, kana ieu gunung tĕmpat pangĕbonan.

23. Dugi ka wangkid ajeuna, teu katĕmbus teu katjiri, taja bedja-bedja atjan, paman kantun susah ati, ka mana geusan balik, marga ajeuna geus makbul, laksana nja panĕda, tĕpang sarĕng tuang rai, enja ieu Sang Adjĕng Ratna Suminar.

24. Paman teh kantun bungahna, estu anu taja tanding, lumĕbĕt kana babasan, kĕbèk sabuana lahir, mĕnggah ku bungah ati, amung teu wantun ngarangkul, tawis dikasonoan, kapěgat ku saur tadi, bok tekadna sulaja sarĕng manusa.

25. Sarĕng paman gaduh maksad, bade naros ka Sang Putri, adjĕngan teh putra saha, marga paman tatjan sidik, ngawlon Sang Pramanik, mĕnggah putra anu estu, dina waktu ajeuna, gaduh sangka dina ati, putra ama Wiku Kurbah Gurangsarak.

26. Tatapi pangira-ngira, tjeuk ati nu kurang bukti, tjeuk rasa nu tatjan njata, atuh putra tatjan tigin, landěs ngaku nu jakin, umaku sĕpuh ka Wiku, inggis pukah ku salah, risi kasilih ku lain, pendekna mah putra tèh wallohualam.

27. Ajeuna mah mungguh paman, montong pandjang nja miati, raratan terahing putra, engke ge tangtos kapanggih, dina ĕnggeus lastari, pupuhunan putra estu, ti djalma nu uninga, ngan ajeuna paman mugi, ulah kĕndat sumambat kasalametan.

28. Pramanik kitu saurna, ka Turna sarĕng ka Turni, djeung těras [ 184 ]deui ngandika, Pramanik ka Mantri Ginggi, eh paman Mantri mugi, pementa kula nu estu, ulah rek djadi manah, njungkělit pabeulit ati, dumeh bieu meunang seuseulan nu nista.

29. Da paman nu leuwih těrang, adat urang Pusěrbumi, gětapan djeung teu kaopan, babari njaring kapusing, tjara basa kiwari, kaja seuneu kana indjuk, ngadadak sok ngagudag, katitis ku tjai lědis, ana pepes lempes leuleus kaja kapas.

30. Mantri Ginggi ngawangsulan, dawuhan lintang katampi, měnggah sim abdi teu pisan, njungkělit lěběting ati, ku dumeh abdi tadi, nampi panjeuseulan kitu, margi těrang tadina, rai gamparan sajakti, salamina bědang adat murah pasmat.

31. Sinarěng abdi kemutan, margi teu dianggo njèri, panjeuseul rai gamparan, etang-etang djisim abdi, gandjaran kěntel peudjit, tapa dina bulan ngěmpur, barang Ratna Suminar, ngadangu piundjuk Mantri, mesěm lēļeb ngalieus sěmu nu era.

32. Gumuju bari ngandika, hanteu njana paman Mantri, munapek dibawa tapa, dumeh kula tatjan bukti, pasanggupan nu tadi, gandjaran bela tumutur, kula teh moal tjidra, tempo geus datang ka nagri, panarima rek ngunggahkeun kapangkatan.

33. Dewi Pramanik ngandika, ka rai Sang Aju Putri, kade rai bilih tjidra, kawantu atjeuk nu njaksi, jen aji kitu warti, mun tjidra tangtu kasiku, tjanibal nja pangawasa, ngawangsul Sang Aju Putri, mugi bae kang rai pandjang kemutan.

34. Hanteu njorang kahilapan, mung ajeuna mugi-mugi, panuhun rai teh enggal, eta Kumba Aring-aring, ku paman Mantri Ginggi, ajeuna sina dibantun, ka guha Bandjarkarang, ditěrapan hukum pati, sina djadi parab ratjun Padjarangan.

35. Dewi Pramanik ngandika, atjeuk mah ngiringan aji, ajeuna oge sumangga, Sang Putri ngalahir deui, mung rai sěsah ati, tina margina kapungkur, di Padjarangan panas, tangtu paman Mantri Ginggi, moal bisa ngabantun artja Sang Putra.

36. Ku margi eta kumaha, supados teu djadi rugi, Dewi Pramanik ngandika, raos atjeuk nu sajakti, kawasna moal kenging, ku paman Mantri dibantun, eta Sang Radja Putra, ti djěro kamar wěrědjit, tina margi mo bisa njageurkeun panas.

37. Karana lamun masih mah, ieu paman Mantri Ginggi, teu atjan salin agama, kana kaom rukun Nabi, margi eta manawi, sarěng galih aji rěmpug, paman Mantri teh kědah, ku kěrsa aji pepeling, supajana puruneun salin agama. [ 185 ]38. Ngawangsul Ratna Suminar, pěrkawis eta mah gampil, nadjan baha rek dipaksa, mun keukeuh mungkir dipeuntjit, ngalahir Sang Pramanik, bari dibarung gumuju, sihoreng ari adat, nu ngabadju ti leuleutik teu saměnit njangsangna, bangsa piwulang.

39. Ngawangsul Ratna Suminar, djeung imut semu nu isin, kumaha atuh da lepat, rai mah geus bosen deui, ku hanteu euih-euih, napsu teu kenging dilěsu, dipěgat kalah ngědjat, dítjangtjang teu daek tjitjing leupas nobros bidjil djadi ketjap gětas.

40. Dewi Pramanik ngandika, ka rai Sang Ratu Putri, nja ari hanteu kenging mah, kentjarkeun bae sakali, bisi djadi kasakit, djudjur sina katalandjur, sugan aja sudana, geus seubeuh ge balik deui, kana těmpat geusan kasirnaanana.

41. Ajeuna mah mangga kebat, saurkeun ka Mantri Ginggi, jen kědah salin agama, njangking rukun kaom Nabi, hanteu lami Sang Putri, ka Ki Mantri Ginggi njaur, ajeuna paman poma, ulah arek baha ati, masing inget paman ka adat kaula.

42. Diri paman kudu pisan, njangking agamaning Nabi, rukun geusan kasutjian, Mantri Ginggi hanteu lami, ngawangsul ka Sang Putri, menggah sim abdi nu estu, taja pangintěn baha, kana njangking kaom Nabi, sadrah pisan kana dawhan gamparan.

43. Malah ti tadi ge maksad, memeh gamparan milahir, djisim abdi sakalintang, manteng salěběting ati, hanteu kěndat saměnit, maksad njangking rukun alus, ajeuna didawuhan, ku kěrsa gamparan jakti, atuh langkung bungah teu aja hinggana.

44. Ratna Suminar undjukan, ka raka Dewi Pramanik, sumangga geura tibanan, babaran agama sutji, ieu pun Mantri Ginggi, ngawalon Sang Putri Wiku, atjeuk mah hanteu bisa, ku margi sanes lalaki, eta bae paman Arja Langlangturna.

45. Ku rai geura piwarang, ngawuruk rukun susutji, ka pun Mantri Padjarangan, Ratna Suminar teu lami, ka Turna seug ngalahir, tjing tjoba ku paman tulung, Mantri Ginggi ajeuna, waridan kalimah sutji, Langlangturna ngawangsul undjuk sumangga.

46. Sarta těras ngawurukan, Turna ka ki Mantri Ginggi, bagbagan di kasutjian, sarta langkung padang ati, eta ki Mantri Ginggi, saminggu kakara timu, keur bělět kawuwuhan, tjadel ampir hanteu uni, atuh djadi gěnděngan Ratna Suminar.

'●●

[ 186 ]

Dangdanggula

1. Kira-kira lamina sasasih, Mantri Ginggi diwuruk agama, rada taram-taram oge, gantjangna nu ditjatur, těrus bae Sang Aju Putri, ka Pramanik undjukan, rai maksad katur, piundjuk manawi rěmpag, raos rai tong bade dilami-lami, ieu Aria Kumba.

2. Dintěn ieu bae mugi-mugi, dibantunna ka Karangpanjiksan, pikeun didaměl parepeh, ngarangsom ratjun-ratjun, ngawalonan Dewi Pramanik, ajeuna oge mangga, geura sina bantun, da taja pambenganana ngan atjeuk teh panuhun pisan ka rai, kitu ge mun kěrěsa.

3. Kědah ngintun serat ka Sang Adji, Maharatu Saksari Tolengan, kahidji undjuk waspaos, jen aji kieu laku, kaduana pěrkawis deui, piundjuk ngotjal-ngotjal, ka Sri Maha Ratu, manawi luntur manahna, kērsa kana ngagěm rukun kaom Nabi, tjara aji ajeuna.

4. Hanteu lami ngawangsul Sang Putri, měnggah atjeuk nimbalan njěratan, ka Djeng Rama Maha Katong, rai teh moal wudu, sumawontěn aja panglahir, sanadjan henteu aja, měnggah rai tangtu, maksa ka kersa Djeng Rama, sinarengan ka sadaja pradipati, sawewengkon kadjinan.

5. Sina njangking agamaning Nabi, anu baha ditigas beuheungna, potong serong keur parepeh, baris ngarangsom ratjun, Sang Pramanik ngalahir deui, kitu-kitu ge mangga, sina djudjur hurung, sugan hajang neureuj djagat, ngan atjeuk mah supados aji walagri, nadah kasalamětan.

6. Ngan ajeuna aji gasik-gasik, njieun serat nu langkung utama, baris ka kersa Sang Katong, gantjangna nu ditjatur, těras njěrat Sang Aju Putri, ari saparantosna, ka Ginggi seug njaur, eh paman Mantri ajeuna, ieu Arja Patih Kumba Aringäring, kudu bawa ku paman.

7. Kana djěro guha Bandjarsari, djieun parab ratjun Padjarangan, ngaganti artja Sang Anom, supaja ratjun-ratjun, nu kalabur daratang deui, ari eta artjana, ku paman teh kudu, teundeun di Karangkamuljan, sarta djaga ku sakabeh para mantri, ponggawa djero guha.

8. Mun geus salse nguruskeun nu kěmit, paman kudu njělang ka nagara, ngadeuheusan ka Pagusten, pěrluna paman kudu, katur undjuk malar tingali, lalampahan kaula, nu keur dipilaku, jen aja di kamanusan, kaduana pěrluna teh paman Mantri, njanggakeun ieu surat.

9. Pek ajeuna paman gasik-gasik, didu'akeun ku kula pamuga, [ 187 ]salamět taja tjotjoge, Mantri Ginggi ngawangsul, njumanggakeun sartana amit, teu lami Arja Kumba, ku Ginggi dipanggul, lir mundak tjatang kiara, sarta kébat pěrdjalanan ka wiati, ti gunung pangěbonan.

10. Tunda Ginggi tjatur para putri, sang Pramanik djeung Ratna Suminar, sabadana Ginggi mios, Ratna Suminar njaur, ka Nji Mandrawati Papatih, eh bibi Arja Mandra, mostor goreng patut, nu djiga djurig djarian, waktu ieu kula nuhun laksa-kěti, sarta kasuhun pisan.

11. Pangbelaan bibi nu sajakti, djadi djuru tuduh pěrdjalanan, kana geusaning tiněmon, reudjeung anu dimaksud, pikir kula ajeuna leuwih, nandangan kabingahan, lantaran rahaju, salamět bisa laksana, pareng těpang kalajan atjeuk Pramanik, bibi lantaranana.

12. Marga eta ajeuna pinasti, kula sédja rek mulang tarima, ngadjurungkeun balik bae, ajeuna geura undur, djeung bedjakeun ka Sang Narpati, awal-ahir kaula, ka Burbani tangtu, rek ngagantí agamana, sawewengkon prabebet nagri Burbani, ku kula digaradah.

13. Mandrawati ngawangsul ka Putri, abdi nuhun ditimbalan mulang, gandjaran tumut ngagandek, djeung gamparan misaur, bade linggih tras ka Burbaní, něpangan Maha Radja, atuh rebu nuhun, ku abdi diantos pisan, supajana Maha Ratu Mindrapati, kērsa gentos agama.

14. Mung ajeuna abdi undjuk amit, mugi² gamparan masihan, pandu'a wiludjěng bae, ajeuna bade wangsul, sawangsulna gamparan mugi, sarengan ieu raka, enggal-enggal makbul, térbuka kawalujaan, Sang Pramanik ngandika ka Mandrawati, djeung rada tjumalimba.

15. Mugi bibi ulah djadi ati, marga putra hanteu atjan bisa, males kabungahan hate, tina bibi sakitu, kěkěl wěkěl hanteu sumingki, ngabelaan ka putra, tanda bibi langkung, kawělas djěroning manah, amung putra hanteu bisa males asih, dina waktu ajeuna.

16. Ngan manawi di baring-supagi, sarta putra lamun geus waluja lesot ti geusan prihatos, undur tina kabingung, sarta kadar patěpang deui, sugan putra di dinja, njieun tanda nuhun, pikeun geusan kabungahan, ajeuna mah ngan du'a pamugi-mugi, bibi kasalamětan.

17. Saparantos Sang Dewi ngalahir, Mandrawati teu lami pamitan, ka eta Sang para Putren, bari sudjud sésegruk, gěgěrungan pajuneun. Putri, sorana teh geueuman, lir haregěm maung, barang saenggeusna těras, Mandrawati mios ti pajuneun Putri, bělěsat ngawang-ngawang.

18. Tunda deui Patih Mandrawati, kotjap deui para putri dua, Pramanik Sang Aju Putren. Ratu Putri piundjuk, ka rakana Dewi Pramanik, tuang rai ajeuna, sumědja pihatur, wireh sanggěm paman Turna, Kangdjěng Rama Sri Maha Langlangsonadji, kagungan putra dua. [ 188 ]19. Nu tjikalna ngaran Raraspedi, djadi Ratu di nagri Banuja, rai lintang gegěl hate, margí parantos těpung, rai sareng Sang Raraspedi, anu kapěngkěr tea, ka atjeuk diundjuk, anu aja di těgalan, Sulungtubu těmpat Langlangsona kai, djurungan Sang Putia.

20. Pikir rai teu njana teh teuing, Raraspędi Ratuna Banuja, bět lantjeuk rai sajaktos, tina margina kitu, rai lintang nja manteng ati, wireh rai harita, nalika patěpung, teu aja hormat tilawat, atjeuk maphum menggah di paningkah rai, teu tyasa kalěměsan.

21. Margi eta pamaksadan rai, manawina atjeuk lědjar manah, kěrěsa kana lělěson, aměng ka Sulungtubu, rai bade něpangan deui, ka kakang Sang Banuja, sumědja piundjuk, něda wělas pangaksama, urut rai tadi kirang tata-titi, tjumonggah ka andjeunna.

22. Ngawalonan Sang Dewi Pramanik, raos atjeuk pěrkawis eta mah, atjeuk sanes teu hawatos, kahojong aji estu, kěrsa angkat daměl pělěsír, něpangan Sang Banuja, mung atjeuk panuhun, kahajang teh ulah waka, ngantos heula dongkapna pun Mantri Ginggi, bilih aja pěrkara.

23. Ajeuna mah nja wajahnja aji, sabar-sabar djěro şasasih mah, montong lunta ka nu sanes. Ratu Putri ngawangsul, njumanggakeun ka Sang Pramanik, jen ngiring sakěrsana, ngantos nu diutus, njěnangkeun linggih di dinja, siang-wengi tara lunta para Putri, di gunung pangěbonon.

24. Tangtu pandjang lamunna ditulis, waktu eta Sang Putri nu dua, gantjangna nu ditjarios, Mantri Ginggi katjatur, enggeus turun tina wiati, asup ka djěro lěmah, Kumba dipapanggul, gantjangna Ginggi geus dongkap, kana lawang Bungbungümur guha tjandi, Ginggi eureun di dinja.

25. Geus patěpang djeung Mantri Braspati, djurukuntji Karangpanjiksaan, Braspati langkung kaget, jen ningal Ginggi tjunduk, sarta hanteu djeung Ratu Putri, Baraspati seug nanja, eh bagea batur, naha njaba teh ti mana, anu matak mana heubeul-heubeul teuing, sarta datang sorangan.

26. Na di mana ari Ratu Putri, sarta naon eta nu dibawa, palangsiang bangke kěbo, Mantri Ginggi ngawangsul, měnggah rai nu mawi lami, ngadjadjah kamanusan, ngiring Ratu Aju, dupi anu djadi marga, rai dongkap hanteu sareng Ratu Putri, kantun di kamanusan.

27. Reudjeung istri Sang Dewi Pramanik, puntjak gunung Sirkawur lenggahna, mulihna teu atjan tangtos, amung ka rai ngutus, mawa ieu Aria Patih, nu ngaran Kumba tea, tangkepan Sang Aju, dawuhanana teh kědah, ieu Kumba parabkeun kana wěrědjit, di Djurung-padjarangan. [ 189 ]28. Kaduana dawuhan Sang Putri, eta aratja Sang Purnama Alam, simpěn di gědong kaputren, timbalanana kitu, ngawalonan Mantri Braspati, bari mukakeun lawang, pánto Bungbungümur, hajoh atuh geuwat-geuwat, ulah ělat bok kapanggih ku pulisí, mata-mata Ambarak.

29. Hanteu lami terus Mantri Ginggi, kebat bae kana Padjarangan, ngintjid manggul semu dongko, pramantri Bungbungumur, lalumpatan muru ka Ginggi, sarta bari njarébat, gonggo hawu tjunduk, ngaliud di padjarangan, wantu wantu para mantri ratus leuwih, pěndjaga kamar-kamar.

30. Sami sono ka Ki Mantri Ginggi, sarta ear njarěbut bagea, ilih Ginggi djadi montok, Mantri Ginggi ngawangsul, mungguh urang moal sak deui, dina hal kamontokan, da puguh disuwuk, ku kahakanan manusa, djeung ku kaget ku loba mantega samin, sirop ketjap teu kurang.

31. Tungtungna mah tina loba teuing, mandi oge ku samin mantega, tjetjewok oge ku sirop, mantri nu ngadarangu, tingäreuleuh bawaning leuwih, tina kageteunana, manggih bedja kitu, pěrtjaja djeung kabitana, sarta pada harajang ngiring ka Putri, rek ngadon barang hakan.

32. Mantri Ginggi tjatjarita deui, djeung kaula anu matak datang, nampi dawuhan Sang Putren, ieu teh Kumba kudu, pake parab ratjun wěrědjit, si Djurung-padjarangan, malar adjur lampus, ngagantian artja tea, ari eta artjana kudu didjait, teundeun di kaputrian.

33. Sarta ulah kendat para mantri, ngarěmitan artja Sang Purnama, samemeh sumping Sang Putren, mantri-mantri ngawangsul, ngamang-gakeun ka Mantri Ginggi, jen sanggěm naluguran, ka artja Sang Sunu, di gědong Karang kamuljan, těras deui tjarita ki Mantri Ginggi, ka mantri sadajana.

34. Njaram ulah rek dareukeut teuing, sabab moal kuat ku panasna, maunat artja Sang Anom, mantri2 murudul, njararingkah ka anu těbih. Mantri Ginggi teu lila, těrus muka pintu, lawangna si Padjarangan, sarta gampang mukana teu pisan rugi, malah taja panasna.

35. Amung seungit dugi ngadalinding, langkung2 ti seungitna kěmbang, ngelehkeun gambir tongkeng ros, Matri Ginggi geus asup, kana djěro kamar wěrědjít, njokot artja Sang Putra, Mantri Ginggi langkung resep geugeut kana artja, tina mubjar tjahaja kasep duměling, tjara artja běrlian.

36. Sarta tuluj dipunggu ku Ginggi, tina djèro kamar padjarangan, těrus dibawa ka gědong, bandjar karang Ratnaju, diebogkeun di djěro katil, nganggo kasur djeung bantal, ditutup kulambu, dina kamar pagulingan, sanggeusna teh pantona djeprot disosi, bok aja nu ngopenan. [ 190 ]37. Nu nuguran sakabeh pramantri, di laluar teu aja towongna sakuriling eta gědong. Mantri Ginggi katjatur, ti kaputren seug terus deui, ka kamar Padjarangan, rek ngarangsom ratjun, ku raga Aria Kumba, Mantri Ginggi leumpang bari njoo kumis, ludeung teu kasamaran.

●●

Asmarandana

1. Barang datang Mantri Ginggi, kana Djurung-padjarangan, ratjun² datang kabeh, nu ti luhur nu ti handap, nakleuk ka padjarangan, nu tadi kalabur pundung, daratang deui harita.

2. Katingal ku Mantri Ginggi, ratjun daratang barěgang, panonna sampe tjarělong, kawantu teu njaratuan, di sadjěro lalunta, harita geus pada kumpul, dina kamar padjarangan.

3. Ranghap ka ki Mantri Ginggi, pada marenta rangsoman, ngagulung djěroeun panto, Mantri Ginggi hanteu lila, njokot Aria Kumba, sarta dibarung tjatjatur, eh kakang Aria Kumba.

4. Kula rek ngahukum pati, sabab bongan goreng lampah, djadi mahluk murka hate, rěrěgěd djuru binasa, ka djalma tanpa dosa, ajeuna ku kula tangtu, dihukum di padjarangan.

5. Barang tutup Mantri Ginggi, tjarita ka Arja Kumba, jen bakal ngahukum paeh, Kumba bisa ngawalonan, bari haharegungan, pokna eh ki Mantri Ratjun, kakang sědja nampa pisan.

6. Kana panghukuman aji, lantaran ku gěde dosa, pěrlampah kakang pribados, ngan kakang aja paněda, salaksa pěrmuhunan, ka aji anu saestu, samemeh kakang teh pědjah.

7. Kakang leuwih tigin ati, saměnit teu pisan pěgat, hajang těpang heula bae, sareng Sang Purnama Alam, putra Ratu Riskomar, maksad kakang rek piundjuk, něda sihing pangaksama.

8. Nadjan kakang pasti mati, taja geusan panasaran, samalah dihukum oge, hajang ulah ku nu lian, menggahing diri kakang, hajang ku Pangeran Sunu, Sang Putra Purnama Alam.

9. Sakitu kakang měrědih, marga kakang hanteu adjal, sakieu karuksakan teh, ku sabab kakang ngantosan, sumpingna Sang Pinutra, marga eta rebu2, panuhunan diri kakang.

10. Mugi aji wělas asih, masihan nja pangadilan, ka kakang maparin tempo, saupami aji maksa, kakang teh hanteu suka, ditutup geusan nunuhun, dipěgat djalan pěrtobat. [ 191 ]191

11. Mantri Ginggi sanggeus nguping, tjarita Aria Kumba, sasambat djeung menta apel, Manri Ginggi teu ngadjawab, dina sadjongdjongan mah, bawaning ku leuwih bingung, jen aja panuhun Kumba.

12. Hanteu lami Manri Ginggi, ngawalon ka Patih Kumba, pêrkara kula nu jaktos, mungguh di waktu ajeuna, kana kahojong kakang, teu atjan tiasa tumut, marga taja pangawasa.

13. Pikeun kana mere adil, kula mah darma utusan, ti kêrsa Ratu Pinutren, Sang Adjêng Ratna Suminar, sarêng garwa Sang Putra, Dewi Pramanik nu estu, kêdah ngahukuman kakang.

14. Kula sanes teu hawatir, mênggah ka salira kakang, mung ku hanteu bisa bae, kaula kana nulungan, malar kawiludjêngan, sakahojong kakang estu, kula teu bisa nêdunan.

15. Ajeuna mah mugi-mugi, ulah djadi rêngat manah, emutkeun papasten bae, kulak tjanggeun bagdja kakang, wajahna masing sabar, barang Kumba geus ngadangu, jen kitu Ginggi djawabna.

16. Ngagerung ngadjěrit tarik, geueuman di djěro guha, tjara berebet geledeg, sasambat ka Radja Putra, pokna duh Sang Pinutra, Pangeran Purnama Sunu, mustika djungdjunan rasa.

17. Mugi Gusti enggal tanghi, abdi njuhunkeun dilajad, ku kêrsa Gusti sajaktos, klajan něda sih piwelas, masihan pangaksama, supados mulus rahaju, sipat wahju marga padang.

18. Mantri Ginggi barang nguping, djêritna Aria Kumba, lir soara gêlap bae, Ginggi dumugi nangkarak, kabanting ku soara, njuuh hanteu bisa nangtung, bawaning ku katorekan.

19. Malah sakabeh pramantri, nu nuguran Sang Pinutra, njaruuh narandang torek, kaasupan sora Kumba, bawaning ku tarikna, katjatur Pangeran Sunu, nu keur djongdjon djadi artja.

20. Kadaring Jang Maha Sutji, barang djěgur sora Kumba, waras djadi artjana teh, ngoredjat sartana gugah, kaluar tina randjang, ngadaligdug lir lulungu, teu kendat ngusanpan raraj.

21. Ngalirik djeung ulak-ilk, sarta kemutan Sang Putra, raos mêntas kulêm bae, anu lamina ngan sadjam, malah djadi kewuhan, manahna Pangeran Sunu, ku dumeh aja di dinja.

22. Marukan teu atjan ngalih, ti bui nagri Ambarak,manahna Pangeran Anom, sarta teu lami ngandika, dina lêbêting manah, naha bui djadi alus, tjara těmpat bandjarkarang.

23. Kapan diri aing tadi, aja dina pangbuian, têmpat anu leuwih kotor, taja samak-samak atjan, tapi ari ajeuna, parabot taja nu suwung, sartana aralus pisan. [ 192 ]24. Reudjeung kakara nja manggih, djěro imah kieu rupa, malantjur guměbjar objor, bangsa perak suasa mas, teu aja nu gorengna, djeung lampu rantuj ngagēbur, panabur sipat sosatja.

25. Korsi emas beunang njangling, medja perak tur barakbak, aing teh kakara nendjo, anu sakieu muljana, estu taja padana, naha saha anu gaduh, mana leuwih teuing endah.

26. Reudjeung naha diri aing, djadì di dieu nja aja, na saha nu mindahkeun teh, tina djěro pangbuian, djeung ka mana si kumbi nu ka aing rek ngahukum, ajeuna naha bět taja.

27. Radja Pitra kitu lahir, dina sadjěroning manah, sarta bari rurat-reret, kana sakur barang-barang, parabot gědong eta, sarta těrus deui asup, kana kamar pagulingan.

28. Bari teu kěndat ngalirik, ningalian djěro kamar, parabot sagala sae, sarta dumadakan aja, di djěro pagulingan, pigura dua ngagantung, gambar Sang Ratna Suminar.

29. Pinutra neuteup ningali, kana rupi eta gambar, sarta hanteu pisan geseh, katingalna ku Sang Putra, siga rupi garwana, sarta teu lami Sang Sunu, rampujuk emut ka garwa.

30. Barina sasambat nangis, duh aduh djungdjunan engkang, mustika wawangen hate, nu geulis Dewi Kania, naha enung bět tega, ka engkang teu njusul², aja dina gedong sangar.

31. Engkang geuwat susul njai, bisi kabudjěng ku mangsa, tumiba ka bahja maot, di těmpat rasěksa murba, djuru pirusa maksa, engkang pasti njorang lampus, pědjah ku lantaran lara.

32. Sang Radja Putra teu lilir, nangis sasambat ka garwa, Dewi Pramanik kasiten, teu aja pisan kěndatna, di djěro pagulingan, mundut ditulung disusul, dihandjatkeun tina bahja.

33. Njuuh hanteu lilir², gambar teu ditilar-tilar, mingarungrum teu liren², těras kawisaja, manah, ilang tata kusumah, mawur rarambuning kalbu, kabawa sakaba-kaba.

34. Kairid ku lain², kagoda rantjana manah, ngadjadi leungit djadjaten, Sang Putra Purnama Alam, dina waktu harita, tumungkul kana mangpaung, midangdam balakatjapang.

35. Tjara titi těrahing djin, pantěs linggihna di dinja, mangkon rat guha katjanden, turug? Sang Pinutra, ahli miraga warna, sapěrti lamun keur tjampur, reudjeung bangsana manusa.

36. Rupina tara katindih, kasepna teu kasisipan, djadi atji rupi bae, lamun tjampur djeung kadjinan, siga djin pangkasepna, kitu salira, Sang Sunu, tědak raspati kanoman. [ 193 ]1. Pandjang lamun ditjarita, tatana Sang Nurasdjati, tjatur pramantri sadaja, anu keur sami ngadjagi, bisa narangtung deui, tinglalimbung nandang landjung, ngan geus tjageur torekna, sarta pada kaget ati, reudjeung pada njěbut sora naon eta.

2. Lain gugur lain gělap, lain maričm keur muni, tarik matak katorekan, saumur kakara manggih, sadjro di guha tjandi, aja soara nu kitu, matak katuralěngan, ngadjěbet ka djčro tjeuli, djeung djegurna sada lèbah padjarangan.

3. Kitu omongna sadaja, mantri² nu karemit, sarta pada nandang reuwas, tatapina lami-lami, sakabeh mantri?, manggih deui geusan langkung, kana kaget pikiran, ku sabab sami ngaruping, aja sora djěro gědong kaputrian.

4. Sidik sora nu sasambat, ku para mantri diintip, pértela di pagulingan, sarta enggeus pada nuding, jen moal gagal deui, artja těnungan tinangtu, Sang Pangeran Pinutra, ajeuna geus waras deui, saelingna sasambat ka ibu-rama.

5. Kitu sangka sadajana, sarta teu lila badami, ngadjakan urang bebedja, ka mantri kamar wčrědjit, nja eta Mantri Ginggi, barang geus tutup barěmpug, arindit sadajana, rek něpungan Mantri Ginggi, katjaturkeun daratang ka Padjarangan.

6. Mantri Ginggi waktu eta, kasampak niupan tjeuli, sabab masih katorekan, ku sora Aria Patih, teu lami tjageur deui, ku ningal batur tjarunduk, sartana hanteu lila, Ginggi'ngomong bari seuri, hanteu njana Kumba boga sora gělap.

7. Tarik matak katorekan, abong? sora iblis, ngawalonan sadajana, ka Mantri kamar wěrědjit, nja eta anu mawi, sarerea pada tjunduk, ku manggih pakagetan, ku sora nu tarik tadi, sarta sidik djěgurna di Padjarangan.

8. Pamaksudan sarerea, arek nanjakeun ka Ginggi, tapi ajeuna teu njana, sora Kumba Aringaring, nu tarik leuwih², bět matak labuh tisusut, kadua pěfkarana, sědja bebedja ka Ginggi, anu matak sarerea pada datang.

9. Lantaran bieu teh aja, geusan kaget kana pikir, sabada soara Kumba, bět sada aja nu nangis, sasambat matak kětir, sidik hanteu
[ 194 ]samar rungu, di gědong bandjarkarang, ngan hanteu kungsi diungsi, taja djalan sabab disosi pantona.

10. Mantri Djurung-padjarangan, ngahulěng kageteun ati, ku lantaran nampa bedja, ti baturna para mantri, jen aja anu nangis, sarta teu lila tjatjatur, tjing haju urang teang, bisi denge anu djalir, tina asal kapapas ku katorekan.

11. Mantri Ginggi hanteu lila, djeung baturna seug arindit, ti kamar si Padjarangan, ka gědong bandjaran sari, sartana hanteu lami, tjarunduk pating laliud, laleumpang lalaunan, wantuning maksud ngarintip, hanteu tjektjok ngomong ge haharewosan.

12. Mantri Djurung-padjarangan, ngintip nangkod kana bilik, lěbah kamar pagulingan, sarta teu lami kakuping, ku eta Mantri Ginggi, sidik lain samar rungu, sarta anu pěrtela, sidik sasambat ka Putri, nu kakuping keur waktu kieu lahirna.

13. Duh Njai Dewi Kania, mustika Putri Pramanik, ieu Engkang njorang baja, balai nu leuwih2, diri engkang pinasti, titis kana njorang lampus, duh enung geuwat-geuwat, gakeun ka Maha Sutji, engkang handjat tina geusan baja wapat.

14. Mantri Djurung padjarangan, barang ngadenge jen sidik, hanteu sulaja ti bedja, aja nu sasambat nangis, atuh ki Mantri Ginggi, kagetna kaliwat langkung, tapi djěro pikirna, geus njangka moal sak deui, Sang Purnama waras tina katěnungan.

15. Barang geus kitu pikirna, těrus bae Mantri Ginggi, Ka batur-baturna, ajeuna sakabeh misti, ulah aja nu kari, ka gědong urang arasup, njidikkeun naon eta, sadaja ngawalon sami, ngamanggakeun ka ki Mantri Padjarangan.

16. Mantri Ginggi hanteu lila, sanggeusna tamat badami, muka gedong bandjarkarang, barang sup sadaja mantri, sami naringal sidik, ka eta Pangeran Sunu, di kamar pagulingan, hookeun sakabeh mantri, ngan teu aja anu wani ngadeukeutan.

17. Ngagimbung djeung lilimbungan, dina těngah² bumi, taja nu wani ka kamar, Sang Radja Putra kawarti, harita čnggeus nguping, jen aja anu ngaguruh, luareun pagulingan, ngoredjat sarta ngalirik, kana těngah bumi Karangkamulajaan.

18. Sidik hanteu samar tingal, Pangeran Nurassadjati, ka para mantri sadaja, sarta langkung kaget galih, ku sabab katingali, rupana anu ngaguruh, hararideung kulitna, huntu bodas buuk rintit, geus sumangka harita Pangeran Putra.

19. Jen lain bangsa manusa, pinasti bibit sipat djin, nu rupa kitu [ 195 ]pandena, sarta harita teu lami, Pangeran Nurasdjati, ngaděg dina lěbah pintu, lawangna pagulingan, reudjeung teu kěndat ningali, měntjrong lelēb ka para mantri kadjinan.

20. Tapi hanteu sasauran, ngan wungkul neuteup ningali, kotjap mantri sadajana, jen ningal Sang Nurasdjati, tjahajana duměling, leuwih ti keur djadi batu, pramantri sadajana, sieun patjampur djeung isin, darariuk mando pajuneun Sang Putra.

21. Tarungkul teu werat tanggah, tina bawaning ku isin, diteuteup ku Sang Pinutra, malah sawareh pramantri, tina isinna leuwih, njuuh kana tonggong batur, teu lami Sang Pinutra, ladjěng tjalik dina korsi, saluareun pintu kamar pagulingan.

22. Hanteu lami Sang Pinutra, ngalahir ka para mantri, kaula sumědja nanja, ku sabab anjar pinanggih, leuwih nja kaget ati, reudjeung arandika těpung, kaula menta bedja, supaja ngadjadi sidik, bangsa naon djin atawa kamanusan.

23. Djeung ti mana rumah-tangga, lěmbur matuh geusan tjitjing, kula menta bedja těrang, mantri² barang nampi, panglahir Nurasdjati, hanteu aja nu ngawangsul, kantun patingal-tingal, djeung baturna para mantri, sami galat kasima ku kaisinan.

24. Ngan ki Mantri Padjarangan, rada wantěr mitjeun isin, lahlahan seug ngawangsulan, ka Pangeran Nurasdjati, pěrkawis djisim abdi, sarěng ieu batur2, mantri Karang panjiksan, guha kalangěnan sari, nu kagungan Sri Maha Tolongtělěngan.

25. Kasēbat bangsa kadjinan, karaton pusěring bumi, ngandika deui Sang Putra, kutan arandika mantri, bangsa djin pusěr bumi, kula kakara saumur, těpung djeung arandika, kadua kula teu ngarti, saha anu mawa ka diri kaula.

26. Kapan bieu mah kaula, reudjeung Kumba Aringäring, dina djěro pangbuian, karasa hanteu saměnit, bět geus di dieu tjitjing, djěro gědong malalantjur, naha saha nu mawa, mindahkeun ti djěro bui, tjoba kula bedjaan nu těrus těrang.

27. Mantri Ginggi ngawangsulan, dupi nu ngabantun tadi, měnggah ka lěnggah gamparan, Arja Kumba Aringäring, Patih Ambarak nagri, sanggěmna utusan Ratu, Maha Putiasukma, kitu anu djadi margi, panggamparan ajeuna di dieu lěnggah.

28. Malah gamparan tadi mah, waktu ku pun Arja Patih, dibantun ka ieu guha, rupi artja batu putih, panjipta Arja Patih, nu kasěbat aji těnung, sinarěng disimpěnna, waktos tadi němbe sumping, dina kamar ratjun Djurung-padjarangan. [ 196 ]29. Dupi anu djadi marga, pang tjalik di ieu bumi, ngalih tina padjarangan, ku pribados djisimsabdi, Sang Putra Nurasdjati, ka Mantri seug deui njaur, kutan kitu asalna, pang kula di dieu tjitjing, ku gawena Aria Kumba Ambarak.

30. Tatapi ajeuna kula, rek menta pitulung Mantri, tina sabab hanteu terang, djalanna keur baris balik, kudu anteur ku Mantri, ulah kapalang nja nulung ka nagri lěmbur kula, da meureun ti dieu těbih, Mantri Ginggi ngawangsul ka Sang Pinutra.

31. Pěrkawis kěrsa gamparan, mundut tulung ka sim abdi, ngadjadjapkeun ka Riskomar, tina margi hojong mulih, měnggahing djisim abdi, sanes pisan hěnteu tumut, kana kěrsa gamparan, mung panuhun djisim abdi, ulah waka gamparan mulih ajeuna.

32. Dupi nu djadi margina, tina maksad djisim abdi, sumědja ngantosan heula, idinan Sang Aju Putri, nu mangkon guha tjandi, Ratu Karang Bungbungümur, Adjěng Ratna Suminar, waktos ieu nudju sěpi kěrčěsana ngambah dunja kamanusan.

33. Njaur deui Sang Pinutra, naha make menta idin, kawas kaula beulian, ngawangsul ki Mantri Ginggi, ka Sang Nurassadjati, sanes tina margi kitu, wireh dampal gamparan, didjait tina balahi, ku piwelas Sang Adjeng Ratna Suminar.

34. Malah ajeuna pun Kumba, ku Sang Adjěng Aju Putri, dibabandan ti Ambarak, bade dihukuman pati, baris parab wěrědjit, barang keur Mantri piundjuk, Aria Patih Kumba, ngagěrung deui lir tadi, ngagělěgěr geueuman djěroning guha.

35. Sang Radjaputra Purnama, langkung² kaget galih, ngadangu eta soara, sarta teu lami ngalahir, mariksa ka pramantri, sora naon ngagělědug, tarik ti batan gělap, ngawangsulan Mantri Ginggi, dupi eta sora Patih Kumba tea.

36. Dina lawang Padjarangan, bade dihukuman pati, dupi margi hanteu atjan, diparabkeun ka wěrědjit, měnggah ku djisim abdi, wireh pun Kumba panuhun, samemeh dipaehan, pokna hajang heula nampi, pangaksama piwělas kěrsa gamparan.
[ 197 ]1. Sang Putra Nurasadjati, ka Mantri Ginggi ngandika, pasĕmon nu langkung kaget, tjing baju atuh ajeuna, anteur ku sarerea, kula hajang geura těpung djeung Aria Patih Kumba.

2. Hanteu lami para mantri, njumanggakeun ka Sang Putra, gantjangna nu ditjarios, tĕras Sang Pangeran Putra, diiring ku sadaja, bade kana kamar ratjun, ti gĕdong Bandjarankarang.

3. Barang ka luar ti bumi, ampir hanteu madju angkat, kabebendjo ku nu objor, pangeusi djěroning guha, tina nĕmbe měndakan, anu sarupaning kitu, di dunja taja bangsana.

4. Pĕrmata didjieun keusik, nu mahal di kamanusan, di dinja dimoremore, tungtungna Sang Radjaputra, těrasna lalamunan, mangke ari mulih tangtu, rek njandak keur ngintun garwa.

5. Gantjangna anu digurit, Sang Putra Puranama Alam, sarĕng nu ngiring sakabeh, geus sumping ka Padjarangan, kamar karang panjiksan, barang ret Pangeran Sunu, ningal raga Arja Kumba.

6. Nadah kaget leuwih-leuwih, margi Kumba djadi badag, leungit pangadĕg bareto, katurug-turug sihungan, manahna palangsiang, lain Kumba anu estu, kitu sangka Sang Pinutra.

7. Sarta Sang Putra teu lami, ngandika ka sadajana, kula leuwih nandang helok, sabab ieu Patih Kumba, rupana bareto mah, estu lain pisan kitu, biasa adĕg manusa.

8. Kawasna ieu mah lain, Kumba Aria Ambarak, pahili djeung anu sedjen, sabab katjida bedana, da kula oge tĕrang, Mantri Ginggi seug ngawangsul, jaktos Aria Ambarak.

9. Dupi margi geseh rupi, wirehing ieu pun Kurhi, waktos nĕnung gamparan teh, keur ngadjadi kamanusan, margi alit ragana, tina saktina pinundjul, bisa mindah-mindah rupa.

10. Wantu Kumba Aringaring, deděmit dasar sagara, Gujung Limbu nagrina təh, Sang Putra mesĕm ngandika, kula kakara těrang, paingan lamunna kitu, asal-usul Arja Kumba.

11. Ngan kula tatjan ngaharti, pang ajana di Ambarak, ieu Aria Kumba teh, tjitjing di nagri manusa, ki Ginggi ngawangsulan, ka eta Pangeran Sunu, ngadadar pěrlampah Kumba.

12. Sarĕng Putiasukmadji, memeh ngaraton Ambarak, sarta nĕpi ka [ 198 ]ngabokong, ngalindih nagri Ambarak, njipta djadi manusa, kadanguna ku Sang Sunu, langkung ngadjadi kagetna.

13. Sartana ladjĕng ngalahir, paingan ari kitu mah Kumba djeung Putia Katong, bibit djurig duruwiksa, pantěs bisa něnungan, ngabinasa laku hasud, beda ti adat manusa.

14. Barang Sang Nurasadjati, keur tjarios ka sadaja, Kumba gĕrung deui bae, tatapina harita mah, soara Arja Kumba, hanteu ngadjěgur lir gugur, kěndor lir sora biasa.

15. Njambat ka Sang Nurasdjati, pokna duh Sang Radjaputra, djungdjunan mustika hate, ieu djisim abdi Kumba, Patih nagri Ambarak, rebu-laksa marga nuhun, gamparan ajeuna lĕnggah.

16. Bade piundjuk sim abdi, mĕnggah ka lĕnggah gamparan, supados djadi waspaos, kalajan abdi panĕda, mugi² gamparan, mědarkeun kasětya kalbu, agung² sih piwělas.

17. Mĕnggah ka diri sim abdi, anu langkung marga murka, rĕrĕgĕd rarambu hate, sakalintang rumaosna, samudaja kalĕpat, ka Gusti ngaharu-haru, binasa nu lintang nista.

18. Ku margi eta pamugi, maparin sih pangaksama, ka diri abdi pribados, kalajan něda pandunga, geusan kawiludjěngan, supados abdi nu estu, sampurna dunja-aherat,

19. Sarĕng kadua pěrkawis, wirehing abdi ajeuna, dihukum pati tinangtos, djadi parab padjarangan, awit ku kaagěngan, dosa dugi susun², ku abdi karaos pisan.

20. Amung panĕda sim abdi, samemeh antjur nja raga, hojong tĕpang heula bae, sarĕng Sang Purnama Alam, Putra Ratu Riskomar, anu ngagĕm djimat luhung, pusaka tatali rasa.

21. Bade nĕda pangaksami, samudaja kalĕpatan, sarĕng pandunga nu sae, upami kĕrsa gamparan, hĕnteu aja piwĕlas, kana panuhun sakitu, djisim abdi hanteu suka.

22. Sang Putra Nurassadjati, ngadangu piundjuk Kumba, sakĕdap nandangan kaget, marga tina teu ngartosna, sarta těras ngandika, kapan kaula nu estu, nu ngaran Purnama Alam.

23. Barang Arja Kumba nguping, pangandika Radjaputra, udjug-udjug seuri bae, ngagakgak sĕmu nu suka, bari njĕbat handjakal, teu kenging dipunggu-punggu, kana raraga kusumah.

24. Sang Putra Nurasadjati, kawantu-wantu budiman, sakilat gampang ngahartos, kana silib Arja Kumba, tina aja maksudna, lĕsu lir kapupul baju, djeung bari těras ngandika.

25. Duh paman Aria Patih, putra langkung rumaosna, nandang lěpat [ 199 ]burĕt hate, kana tjariosan paman, amung waktu ajeuna, kahartos sarĕng kasurup, kana lĕbĕting pangrasa.

26. Kadjudi ku sĕpi hari, katjipta ku taja tanda, jen putra tĕrah narpatos, Ratu nagari Riskomar, nu njangking tali rasa, sulaja tina panjěbut, kaom Wiku Gurangsarak.

27. Asal tina djalir pikir, pukah sarĕng tali rasa, djalan poho ka papagon, ti anu masihanana, amung waktos ajeuna, kang putra rebu nja nuhun, aja pangoboran paman.

28. Kitu deui paman tadi, mundut hampura ka putra, mĕnggah putra nu sajaktos, sumědja ngaturkeun pisan, rebu-rebu hampura, kana lĕpat paman kitu, dunja dumugi aherat.

29. Kadua paman migalih, tĕpang djeung Purnama Alam, tĕrah Sri Maha Pramajon, anu njangking Talirasa, kang putra sanggĕm pisan, nĕpangkeun ĕngke ka pajun, di kota nagri Riskomar.

30. Mung kang putra aja djangdji, něda pasanggěman paman, dina wangkid ieu bae, samemeh paman patĕpang, sarĕng Purnama Alam, paman kĕdah purun kalbu, ngagěntos heula agama.

31. Lěbět ka agama sutji, rukun titis kanabian, mun hanteu kĕrsa tinangtos, kaselehkeun ku kang putra; ka Mantri Padjarangan, Aria Kumba ngawangsul, nja eta anu ditěda.

32. Malah kemutan nu jakti, mĕnggah sim abdi paněda, pamugi ajeuna bae, gamparan kěrsa masihan, rukun elmu agama, Pangeran Pinutra njaur, atuh nuhun kitu manah.

33. Tawis paman tigin galih, kana ngilangkeun pamurka, nu djadi rĕrĕgĕd kotor, halangan kasampurnaan, ajeuna kabukana, diruat supaja mulus, tumitis kasalamĕtan.

34. Sang Putra sanggeus wawarti, těrus bae ngawurukan, sagala nu djadi poko, babaraning kasutjian, barang Kumba geus paham, elmu rukun ti Sang Sunu, udjug-udjug bisa hudang.

35. Pajahna ngadadak leungit, djadi waras tur waringkas, sikěp diuk sarta mando, pajuneun Sang Radja Putra, malah taja tapakna, urut gĕring naun?, kurnia Sang Radja Putra.

[ 200 ]

Pangkur

1. Aria Patih Ambarak, ulak-ilik ka dirina pribadi, bari nandang heran bingung, sarta leuwih pěrtjaja, kana watĕk agama matak rahaju, tina bukti ngadak-ngadak, leungitna eta kasakit.

2 Teu lila tĕrus undjukan, Arja Kumba ka Sang Nurasadjati, sarta dibarung ku sudjud, duh gamparan Sang Putra, djisim abdi rebu-rebu katur nuhun, mĕnggah ka lĕnggah gamparan, aja piwĕlas ka abdi.

3. Masihan dikawarasan, dugi sehat ilang kabeh kasakit, geusan nungtun kana lampus, tina lintang nistana, margi eta djisim abdi anu estu, maksud gaduh panadaran, ka lĕnggah gamparan jakti.

4. Ti waktos ieu ngawitan, satĕrasna dugi ka mangsa pati, sumĕdja tumut sumudjud, sadrah raga djeung njawa, lahir batin moal serong laku palsu, mĕnggah ka kĕrsa gamparan, sumpah taruh baja pati.

5. Upami sim abdi tjidra, ka gamparan mugi Jang Maha Sutji, ka diri sim abdi estu, nurunkeun sipat bahja, turun-turun dumugi ka anak-intju, kitu abdi patekadan, ka kĕrsa gamparan jakti.

6. Sang Putra Purnama Alam, ngadangukeun tjarita Arja Patih. sĕrah badan maksud tumut, dibarĕngan ku sumpah, hanteu lami Sang Putra ladjĕng ngadawuh, ka Aria Patih Kumba, dibarung pasĕmon manis.

7. Mĕnggah paman aja manah, anu langkung rido teu aja tanding. ka putra anu saestu, miwĕlas sapaosna, putra nampi sarĕng rebu-rebu nuhun, malah diiring panĕda, salamĕt lahir djeung batin.

8. Barang geus tamat wawarta, Radjaputra ka Kumba Aringäring, ngalirik ka Mantri Ratjun, sarta bari ngandika, geuning kieu balukar nu rek dihukum, menta pangampura kula, tanda geus babalik pikir.

9. Ngadjalankeun kasĕtyaan, atuh kudu urang merean adil, ka nu sumpah taruh lampus, ku sabab eta kula, arek menta timbangan pramantri istu, ka ieu paman Aria, Patih Kumba Aringäring.

10. Mantri Ginggi ngawangsulan, mĕnggah eta sim aþdi mah mung ngiring, sakĕrsa gamparan kitu, masihan pangadilan, hanteu tjios dianggo parabna ratjun, amung sim abdi panĕda, gamparan pamugi-mugi.

11. Kĕdah rĕrĕmpagan heula, sarĕng rai Sang Adjĕng Aju Putri. nu kagungan Bungbungümur, tina margina eta, nu kagungan tangkĕpan anu saestu, abdi darma piwarangan, ngahukum Aria Patih.

12. Sang Radjaputra ngandika, na di mana ajeuna Ratu Putri, kaula [ 201 ]arek barempug, ki Mantri ngawangsulan, menggah rai nalika ajeuna nudju, di dunja kamanusaan, geus lami teu atjan sumping.

13. Gamparan kědah ngantosan, kana sumping Sang Adjěng Aju Putri, Purnama Alam seug njaur, kumaha lamun lila, hěnteu datang tangtu kula leuwih bingung, mikir hajang geura mulang, ka nagri kula pribadi.

14. Kitu deui pikir kula, nadjan enggeus nimbang ka paman Patih, tina dosa nu sakitu, ngaidinan mulang mah,moal waka sabab aja nu ditunggu, nja eta anu boga hak,nangkěp paman Arja Patih.

15. Kitu deui paman Arja, ulah pisan rek merod kana mulih, nja wajahna kana tunggu, ngawangsul Arja Kumba, měnggah abdi teu aja peta ngaběrung, kana dawuhan gamparan, mung maksad sumědja ngiring.

16. Sumawontën didawuhan, kědah ngantos sumping Sang Adjěng Putri, parěk sasih těbih taun, nadjan salalamina, djisim abdi dina guha Bungbungumur, estu hěnteu pisan kana sumingkir nja ati.

17. Ngandika deui Sang Putra, nuhun pisan paman kitu nja galih, tanda kasetyaan estu, ngan ajeuna sumangga, urang muru ka gědong Putri Ratnaju, njumanggakeun Arja Kumba, sareng sadaja pramantri.

18. Sang Putra Purnama Alam, čnggeus sumping ka gědong bandjarsari, těmpat lěnggah Ratna Aju, Sang Pinutra lěnggahna, dina korsi nu beunang nabur ku djambrut, sadaja nu di harandap, marando beres ngabaris.

19. Pangeran Purnama Alam, keur dadasar gumilangna ti tadi, asal-usulna ngagěbur, katambah kasorotan, ku sagala pěrmata nu malalantjur, bati objor tur guměbjar, matak serabeun pramantri.

20. Sami isin sadajana, tarungkul taja nu dangah hidji, pajuneun Sang Radja Sunu, teu lami seug ngandika, ka ki Mantri djuru kuntjen kamar ratjun, kula hanteu atjan těrang, di rupa Sang Aju Putri.

21. Kumaha dina adjegna, djeung manusa kira teu geseh teuing, pamuluna Ratna Aju, dumeh bangsa kadjinan, Mantri Ginggi ka Radjaputra ngawangsul, pěrkawis Sang Adjěng Ratna, měnggah raos djisim abdi.

22. Sawengkon nagri kadjinan, hanteu aja tandingna Adjěng Putri, tina geulisna-kalangkung, dina waktos ajeuna, amung aja nu nanding ka Ratna Aju, samalah rada ngungkulan, amung sanes bangsana djin.

23. Pandita kamanusaan, kakasihna Sang Dewi Paramanik, di puntjak gunung Sirkawur, malah Sang Adjěng Ratna, nja di dinja linggihna kersa ngaguru, elmuning kasampurnaan, bagbagan agama sutji.

24. Sang Radjaputra Purnama, barang nguping piundjuk mantri Ginggi, ngarandjug lěběting kalbu, ngahulěng sadjongdjongan, ampir-ampir ngarumpujuk nadah lesu, marga Mantri Padjarangan, njebatkeun [ 202 ]Dewi Pramanik
25. Emut ka Dewi Kania, dugi lungse njangkrung mêdal tjitangis, mung kalah agêng pamêgung, sarta teu lami těras, njaur deui ka Ki Mantri djuru ratjun, naha putri ratu mana, nu ngaran Dewi Pramanik.
26. Suganna paman uninga, da kula mah bênêr manusa jakti, tapi hanteu pisan maphum, ka anu ngaran eta, Mantri Ginggi ka Radjaputra ngawangsul, dupi saur andjeunna mah, wawartos ka djisim abdi.
27. Putra Wiku Gurangsarak, nu kasêbat Muhamad Kurbah Rêsi, kitu saurna nu estu, margi aja di dinja, keur pêlêsir ngadjadjah ka gunung, wantu adat Kadewian, pupudja djeung mudjasmedi.
28. Sang Radjaputra teu kira, sumêdotna dina salêbêt galih, bari njaur dina kalbu, moal gagal Kania, pang ajana di ji gunung Sirkawur, tinangtu asal neangan, ka diri aing pribadi.
29. Tatapi lamunna enja, naha taja panjaram panjaram ibu, mungguh Njai Kania, bêt diantêp sina kana têmpat anu hina, leuweung geusan baja pati.
30. Djeung palangsiang Kania, pang ingkahna ku djalan dinjěnjěri, ku ama sarêng ku ibu, lantaran kieu pěta, leungit aing tinangtu djadi gumujur, kitu manah Sang Pinutra, sarta teu lami ngalahir.
31. Naha kumaha asalna, Ratu Putri papanggih djeung Pramanik, wawuh djeung têrus ngaguru, ki Ginggi ngawangsulan, ka Sang Putra nêrangkeun Sang Ratu Aju, lantaran tiasa têpang, sarêng Sang Dewi Pramanik.
32. Diundjukkeun mimitina, tina asal Ratu Putri ngaroris, kana těmpat kamar ratjun, kedanan ku Sang Putra, nja dumugi djêngkar tina Bungbungumur, ka dunja kamanusaan, ngilari Dewi Pramanik.
33. Diundjukkeun teu kaliwat, ku Ki Mantri ka Sang Nurasdjati, dumugi kana patěpung, Adjêng Ratna Suminar, sarêng Dewi Pramanik di luhur gunung, těmpat aki pangebonan, katêlah Turna djeung Turni.
34. Mantri Djurung-padjarangan, enggeus tamat tjarita leuwih apik, Nurasdjati těras njaur, kutan kitu asalna, pang euweuhna Nji Putri ti Bungbungümur, ngan kula ku hajang terang, rupana Sang Aju Putri.
35. Arja Kumba seug undjukan, jaktos pisan piundjukna pun Mantri, měnggah rupina Ratna Aju, marga lintang geulisna, taja anu ngalangkungan teh saestu, djisim abdi oge těrang, estu mustika putri djin.
36. Amung aja handjakalna, langkung² barangasan teh teuing, tara bêndu teu ngabunuh, paling adil nadjongan, atawana njeuseul bari noker irung, Ginggi seuri djeung ngadjawab, komo ka anu sok maling.
37. Sok tara mindo njabokna, nadjan gagah katiban tangan Putri. [ 203 ]pasti kana njorang lampus, sanadjan hĕnteu misan, kudu bae tara tjageur ku sataun, wuwudon tularanana, matihna Sang Aju Putri.

38. Ku Arja Kumba kamanah, njaritana Ki Mantri Ginggi sindir, ngawalon barina nundjuk, pantĕs da dibongohan, mun tĕrang mah jen aja Sang Ratu Aju, kakang tangtu ngědjat anggang, mo, beunang nadjan dibĕrik.

Sinom

1. Pangeran Purnama Alam, njaur salĕbĕting galih, lah kutan hade rupana, disarĕbut leuwih geulis, eta Nji Ratu Putri, tjeuk Kumba djeung Mantri Ratjun, sanggeusna kitu manah, ladjĕng Sang Putra ngalahir, ka Ki Mantri djuru djurung padjarangan.

2. Kutan teh hade rupana, ngan aja sĕmang saeutik, disĕbut sok barangasan, babarian kana pusing, ngawangsul Mantri Ginggi, jaktos pisan eta kitu, hanteu aja lĕpatna, sapiundjuk kakang Patih, Ratu Aju adatna sok barangasan.

3. Kawuwuh langkung tampikan, taja bopati ditampi, sugri² nu ngalamar, malah batan kĕrsa nampi, ka anu sararumping, anggur diběrik ditundung, dilabrak ka nagrina, adatna Sang Adjĕng Putri, tungtungna mah taja nu wantun ngalamar.

4. Mung nĕmbe ajeuna pisan, nu kapĕndak ku sim abdi, Sang Adjĕng Ratna Suminar, kairut dugi ka lali, dina kamar wĕrĕdjit, ku dampal gamparan istu, istuning matak heran, leungit tampikan nu tadi, sĕmi² pikadareun ka gamparan.

5. Sang Radjaputra ngandika, atuh nuhun laksa-kĕti, ari ĕnja mah kaula, dipiasih ku Putri djin, asuhan paman Mantri, mustikaning Bungbungümur, teu tjara paman Kumba, boro mah pangkat Papatih, ngasor-ngasor awewe goreng lelewa.

6. Eukeur mah kasar rupana, ari tata lir teu eling, dangdanan saaja-aja, tjara ronggeng ogel badis, barang ki Arja nguping, lahiran Pangeran Sunu, langkung² isinna, ngawangsul djeung bari seuri, djisim abdi mung darma nu kumawula,

7. Dupi waktos ajeuna mah, bawiraos djisim abdi, balikanan mun kamanah, ku gamparan pun Kaswati, asa katjida teuing, miruruh ka djurig hawu, Sang Pinutra Purnama, ngandika djeung imut manis, mun bareto paman kitu mamanahan. [ 204 ]8. Meureun putra moal pisan, ngarasa sangsara diri, aja di nagara lian, sapĕrti ajeuna bukti, djeung ibu-rama tĕbih, reudjeung djungdjunan pakantun, Aria Patih Kumba, hanteu ngawangsul ku isin, ngan ki Mantri djuru djurung padjarangan.

9. Piundjuk ka Sang Pinutra, amung raos djisim abdi, djadi naha mun gamparan, teu njorang prihatos galih, awit ku Arja Patih, djisim abdi katalandjur, moal njangking agama, kaom nabi anu sutji, eta kitu emutan djisim abdi mah.

10. Ngandika Sang Radjaputra, ka Mantri kamar wěrědjit, atuh kula nuhun pisan, dianggo kabungah galih, nganpikir kula kula leuwih, hajang geura-geura wangsul, ka nagara Riskomar, malah lamun para mantri, ngidinan mah kaula wangsul ajeuna.

11. Pinasti kaula mulang, sarĕng ieu paman Patih, ka dajeuh nagri Riskomar, bali geusaning ngadjadi, ngawangsul Mantri Ginggi, rebu-rebuning panuhun, gamparan ulah waka, kana hojong enggal mulih, kĕdah ngantos Sang Adjĕng Ratna Suminar.

12. Sarĕng dua pěrkawisna, tina margi djisim abdi, ngĕmban timbalan Sang Ratna, ngabantun sĕrat ka Gusti, Maha Ratu Saksari, badaratna nu kaemut, kědah hatur-uninga, jen andjeunna nudju linggih, di Sirkawur djěro dunja kamanusaan.

13. Sarĕng timbalan Sang Ratna, dikědahkeun Kangdjĕng Gusti, Sang Sri Maha Saksaria, Ratuna ieu nagari, kĕdah ngagĕm agami, kaom sutji elmu luhung, kitu dawuhanana, malah ajeuna sim abdi, bade tĕras ngadeuheus ka Sang Sri Nata.

l4. Saur Sang Purnama Alam, nja heug bae Mantri Ginggi, ngadeuheusan ka Sang Radja, ramana Nji Ratu Putri, ulah ngĕngkekeun deui, supajana gantjang putus, Mantri Ginggi teu lila, ka Sang Radja Putra pamit; tĕras mios ti gědong Karangkamuljan.

15. Sang Radjaputra Purnama, sarĕng Patih para mantri, nu kantun di djěro guha, sarta harita sajagi, kagungan Ratu Putri, tutuangeun hanteu suwung, ma'lum těmpat kadjinan, lir bedja tata sawargi, tara pisan sulaja tina panĕda.

16. Djadi Sang Radja Pinutra, hanteu aja damĕl deui, di guha karang panjiksan, ngan wungkul diiring-iring, ku kabeh para mantri, plĕsir di Bungbungümur, ningali kaajaan, kalangĕnan Ratu Putri, langkung matak ngagetkeun kana manahna.

17. Margi ku němbe mĕndakan, bandjarkarang kitu rupi, matak ngahegarkeun manah, salirik nu katingali, di djĕro guha tjandi, gantjangna anu ditjatur, tunda Sang Radjaputra, kotjapkeun Sang Sri Narpati, [ 205 ]Saksaria Ratuna Tolongtĕlĕngan.

18. Waktu eta nudju lĕnggah, sarĕng sadaja bopati, sabawah nagara eta, kěmpělan di pantjaniti, ngabaris dina korsi, Ratu Saksaria njaur, ka sadaja dipatya, margina sadaja sami, para wargi ditěda kana lalĕnggah.

19. Maksad sumědja barĕmpag, supaja sami tingali, tina marga saawitna, dongkap Kumba Aringäring, Patih Ambarak nagri, ka guha si Bungbungümur, ngabantun hidji artja, anak Sang Pramajon Adji, eukeur baris siksaeun di padjarangan.

20. Amung sanggeus diteundeunan, ku artja bantunna Patih, eta Djurung-padjarangan, djadi sangar leuwih-leuwih, ratjun-ratjun wěrědjit, bubar kabur hanteu kantun, teu kuat kana artja, samalah-malah ngadjadi, djĕro kamar padjarangan djadi panas.

21. Hanteu beunang dideukeutan, tina panas taja tanding, malah Nji Ratna Suminar, ampir dirina balahi, saktina teu ngadjadi, ngilangkeun panas nu kitu, sarta pantona muka, artjana katembong sidik, djeung rupana kasep endah taja bangsa.

22. Sadjěro dunja kadjinan, gaduh rasa mun ngilari, anu nandingan rupana, estu moal bisa manggih, malah-malah si Njai, kamashur ku tina pĕngkuh, tampikan taja bangsa, meureun sadaja tingali, kana tata adat Nji Ratna Suminar.

23. Tapi ari ku eta mah, leungit kapĕngkuhan tadi, kadujung ku rupa artja, djeung sasambat bari tjeurik, tjara nu nandang lali, hanteu beunang dililipur, sartana hanteu beunang, dibawa balik ka nagri, batan daek anggur rek ngamuk tekadna.

24. Ajeuna ge masih aja, si Njai di guha tjandi, ĕnggeus sataun lilana, ka dajeuh teu balik², didjaga ku pramantri, nu aja di Bungbungümur, ari arek dipaksa, dibawa ti guha tjandi, inggis tĕrus ngaruksak Tolongtĕlĕngan.

25. Ari diantěp karěpna, tjitjing dina guha tjandi, ma'lum puguh leuwih mĕlang, ku sabab eta pamugi, sadaja para wargi, manawi aja nu sanggup, ngalělědjar pikirna, ku pituah geusan eling, atawana njingkahkeun eta artjana.

26. Barang tamat Sang Sri Nata, wawarti ka prabopati, sadaja ngawarangsulan, sami teu wantun ka Putri, aringgis djol mĕuntjit, atanapi djol ngaringkus, lĕbĕt kana siksaan, aringgis tĕrus digiling, atawana dikampa didjieun minjak.

27. Kitu wangsul sadajana, tina teu wantun ka Putri, margi tarĕrang adatna, keur bĕngis kawuwuh sakti, Sang Adjĕng Aju Putri, gantjangna anu ditjatur, barang keur gunĕm warta, sadaja para bopati, Mantri [ 206 ]Ginggi ĕnggeus dongkap ka pamĕngkang.

28. Katingal ku Sang Sri Nata, eta Ki Mas Mantri Ginggi, digupaj dihiap-hiap, Mantri Ginggi hanteu lami, njĕmbah pajuneun Gusti, gantjangna Radja ngadawuh, ka Mantri Padjarangan, eh Mantri kamar wĕrĕdjit, naon maksud nu matak ka dieu datang.

29. Bĕt kawas meunang titahan, anu pĕrlu leuwih², ti Njai Ratna Suminar, njĕmbah ngawangsulan Mantri, pěrkawis abdi Gusti, ngĕmban dawuhan nu estu, ngabantun ieu sĕrat, bade ka Dampal Djěng Gusti, ti kĕrĕsa Putri Sang Ratna Suminar.

30. Hanteu lami eta sĕrat, ditjandak ku Sang Narpati, diaos kieu ungĕlna, kondjuk klajan pangabakti, ing pangkon Kangdjĕng Gusti, Ratu ing rat Bumi pitu, nagri Tolongtêlêngan, kaulanun abdi Gusti, bakti sĕrat sumĕdja undjuk uninga.

31. Wirehing waktos ajeuna, abdi Gusti nu sajakti, di dunja kamanusaan, di Rěsi Dewi Pramanik, dupi nu djadi margi, wireh maksad ngalap elmu, haliah kasampurnan, bagbagan agama sutji, sarĕng rukun papagon ti kanabian.

32. Kalajan laksa paněda, asihing panggalih Gusti, paduʻa kawiludjěngan, kalajan padang ing ati, njari di sanubari, titisan elmu nu luhung, pokoning kadewian, kasampurnan lahir-batin, kasinungan ku rasa kabatarian.

33. Malah Gusti kĕdah pisan, waktos ieu lĕdjar galih, ngagĕm rukun kasutjian, sarĕng sadaja bopati, sugri bibit para djin, sapangkon Gusti nu estu, saha-saha nu baha, tinangtos ku abdi Gusti, dihukuman nu nista potong beuheungna.

34. Sumawontĕn wadya-balad, upami hěnteu malikir, kana ngagěntos agama, sawĕngkon pusĕring bumi, pasti ku abdi Gusti, dibasmi dongkap ka tumpur, moal aja sirungna, diabrik diběrik-běrik, sanggĕm seep dina sabědug lamina.

35. Ku margi eta sumangga, galih anu lintang lantip, mana nu bade ditjandak, mĕnggah kalĕdjaran galih, sakitu abdi Gusti, piundjuk anu satuhu, sarĕng diiring sĕmbah, bakti sudjud abdi Gusti, di Sirkawur pun Adjĕng Ratna Suminar.

[ 207 ]l. Saparantos maos sĕrat Kangdjĕng Ratu, langkung ngadjĕnghokna, sakědap ngahulĕng bae, teu ngandika bawaning tunggara manah.

2. Lami-lami ka para bopati njaur, tjoba ku sadaja, para tumĕnggung dipaten, ieu sĕrat waratja masing kamanah.

3. Hanteu njana Nji Ratna Suminar suwung, di Karang Panjiksan, sugan temah aja bae, bĕt ajeuna geus aja di kamanusan.

4. Keur ngaguru ka Batari anu luhung, Dewi kamanusan, Pramanik djĕnĕnganna teh, nu dialap guru ku Ratna Suminar.

5. Tapi nuhun tanda djědjěm njiar elmu, geusan kasampurnan, bagbagan kaom nu sae, nu kasĕbat agama di kasutjian.

6. Tapi aja anu bakal matak bingung, nu taja tandingna, kana sadjĕroning hate, tina sabab Nji Ratna Suminar nitah.

7. Sarerea kudu make kaom kitu, saha anu baha, tangtu dihukuman bae, moal aja kana hampura timbangan.

8. Ari arek diturut da hanteu pĕrlu, ngaganti agama, ku teu aja hasilna teh, turug-turug bedjana beurat makena.

9. Ari hĕnteu diturut da teu kauntup, ngalawan ambĕkna, ka Nji Ratna Suminar teh, sakabeh ge tangtu tĕrang di adatna.

10. Tina margi eta tjobi něda rěmpug, mupakat sadaja, para tuměnggung dipaten, sae mungpang atawana sae sadrah.

11. Sadajana sami ngawangsul ka Ratu, mung sadaja-daja, ngiringan sakĕrsa bae, kitu saur para dipatya aria.

12. Malah² rêmpag sadajana ratu, bawaning sieunna, ku Sang Adjěng Aju Putren, sami sadrah ngambangkeun kana kĕrsana.

13. Tina margi kemutanana nu estu, sanadjan rek baha, da puguh eleh kasakten, taja pikeun tanggĕlan baris ngalawan.

14. Maranahna djeung tinimbang adjur lampus, ku Ratna Suminar, anggur mĕnding pasrah bae, kana njěkěl agama di kasutjian.

15. Hanteu lami Ratu Saksaria njaur, nja ari rĕmpag mah, sadaja para dipaten, haju bae rĕmpugan sakahajangna.

16. Barang ĕnggeus njaur ka para tumĕnggung, seug deui ngandika, ka Ki Mantri djuru kuntjen, hanteu njana balukar kieu buktina.

17. Reudjeung naha maneh hĕnteu buru², ka kami bebedja, sakitu geus lilana teh, jen euweuhna Ratna Suminar ti guha. [ 208 ]18. Euweuh mantri ka kami anu piundjuk, tjing naon sababna, anu matak kumawanen, ngadjalankeun pĕrtata kataledoran.

19. Mantri Ginggi ka Ratu njĕmbah ngawangsul, sarta nandang reuwas, kaulanun abdi Gusten, sanes pisan midamĕl kataledoran.

20. Amung margi abdi Gusti anu istu, teu aja di guha, ngiring Sang Adjĕng Pinutren, djĕngkar ngambah sawěngkon kamanusaan.

21. Malah-malah abdi-abdi nu dikantun, para mantri guha, ku kĕrsa Sang Adjĕng Putren, samemehna djĕngkar tina djĕro guha.

22. Didawuhan ulah aja anu gěruh, wantun arundjukan, mĕnggah ka dampal Pagusten, kitu asur Sang Adjĕng Ratna Suminar.

23. Margi eta Gusti anu langkung maphum, putra Adjĕng Ratna, sakalintang matak sĕber, nu undjukan dihukum pati kantĕnan.

24. Hanteu lami mariksa deui Sang Ratu, kumaha asalna, Njai Ratna Suminar teh, anu matak lolos ka dunja manusa.

25. Mantri Ginggi ngawangsul deui ka Ratu, ngundjukkeun asalna, Sang Adjĕng Ratu Pinutren, tina awit tapakur di Padjarangan.

26. Sarta aja saur ilapat karungu, miwarang neangan, Dewi Pramanik kasiten, anu bakal nulung kana kahojongna.

27. Dongkap kana tĕpang di Gunung Binarum, taja nu kaliwat, dongkap ka gunung patanen, dipiundjuk ku Mantri ka Sang Sri Nata.

28. Ratu langkung kagetna barang ngadangu, lalakon Sang Ratna, ku tina leber wawanen, wani ngambah sawĕngkon buana alam.

29. Ladjěng deui mariksa Sang Maha Ratu, kumaha tulujna, babatang Arja Kumba teh, saĕnggeusna dibawa ka patanian,

30. Mantri Ginggi tumĕras deui piundjuk, hal Aria Kumba, bade didaměl parepeh, dina djěro kamar Djurung-padjarangan.

31. Dongkap kana gugahna Pangeran Sunu, ngahampura Kumba, teu tjios kanggo parepeh, ku pangěrsa Sang Putra Purnama Alam.

32. Ratu wuwuh kagetna lĕbĕting kalbu, jen Purnama Alam, waras aja di kaputren, sarta Kumba geus anut djadi rentjangna.

33. Ratu njaur sarta bari minděl kalbu, pasĕmon kewuhan, ka Ki Mantri djuru kuntjen, tangtu tiwas guha Karang panjiksaan.

34. Diajaan manusa anu teu anut, geus pinasti sangar, těrkadang baruntak bae, moal beunang dipake kana hukuman.

35. Tina sabab waktu ajeuna teh kudu, Mantri Padjarangan, ajeuna ulah talangke, Ki Purnama pindahkeun ulah di guha.

36. Kudu bawa ka dieu sing buru-buru, teu daekeun paksa, ku para mantri sakabeh, tina guha bandjar karang panjiksan. [ 209 ]1. Hanteu lami Mantri Ginggi, ngawangsul ka Sang Sri Nata, pĕrkawis sim abdi Gusten, sumĕdja kumambang pisan, amung saupamina, Sang Pinutra hĕnteu purun, abdi Gusti teu tiasa.

2. Maksa miwah tanpi titi, kalintang hanteu wantunna, bilih kuma onam bae, wirehing nampi dawuhan, ti kĕrsa Adjĕng Ratna, Sang Radja Purnama Sunu, kĕdah tětěpkeun di guha.

3. Sri Maha Ratu Saksari, ngahulĕng hĕnteu ngandika, bawaning ku sumpĕg abot, ngadangukeun piundjukna, ki Mantri Padjarangan, lami-lami seug ngadawuh, ka sadaja pradipatya.

4. Tjing atuh sadaja wargi, něda pirěmpag hal eta, sae gugu sae ĕntong, parentah Ratna Suminar, eta Purnama Alam, jen kudu di Bungbungümur, di gědong karang kamuljan.

5. Para tumĕnggung bopati, ngawangsul sadaja-daja, ngiringan pangěrsa bae, alihkeun ti karangděnda, bok bilih djadi matak, sangar guha Bungbungümur, tangtos tjambal pangaruhna.

6. Mung kĕdah heula wawarti, ka Adjĕng Ratna Suminar, samemeh dialihkeun teh, bilih djadi kabĕnduan, ngarěsak ka sadaja, Ratu Saksari ngadawuh, kitu ge nja rĕmpug pisan.

7. Ngan ajeuna Mantri Ginggi, buru-buru ulah ĕlat, kudu indit deui bae, ka Njai Ratna Suminar, pĕrluna mawa surat, Ki Mantri njĕmbah ngawangsul, njumanggakeun ka Sang Radja.

8. Teu lami Maha Narpati parantos midamĕl sĕrat, těras dipasihkeun bae, gantjangna nu ditjarita, Ki Mantri Padjarangan, njĕmbah amit ka Sang Ratu, tĕras mios ti pamĕngkang.

9. Asup kana guha deui, maksadna něpangan heula, ka Sang Pinutra Raspaten, teu lami ka guha dongkap, ngadeuheus ka Sang Putra, masih keneh nudju kumpul, para mantri sadajana.

10. Mariksa Nurasadjati, ka Ki Mantri Padjarangan, kumaha Maha Narpatos, ka Mantri dawuhanana, kira aja sadrahna, kana kahojong Ratnaju, kĕdah ngagěntos agama.

11. Teu lami ngawangsul Mantri, pěrkawis Maha Narpatya, parantos kĕrsaeun oge, kana ngagĕntos agama, samalah sadajana, para bopati tumĕnggung, margi nudju magĕlaran.

12. Sadaja taja nu mungkir, kana kahojong Sang Ratna, njangking [ 210 ]rukuning kasutjen, Sang Radja Putra ngandika, sukur ari kitu mah, tawis sami wĕning kalbu, para bopati Tolĕngan. 

13. Ki Mantri piundjuk deui, mung aja dawuhanana, Djĕng Gusti Maha Narpatos, mĕnggah ka lĕnggah gamparan, ulah linggih di guha, memeh sumping Ratna Aju, kitu dawuhan Sang Radja. 

14. Margi parantos tingali, Radja ka lĕnggah gamparan, margi ku abdi pribados, diundjukkeun ka Sang Radja, nalika ngadeuheusan, jen gamparan anu estu, damang tina djadi artja. 

15. Kĕrsa hanteu kĕrsa misti, kĕdah ngalih ka pamĕngkang, saur rama Sang Narpatos, Purnama Alam mariksa, ka Mantri Padjarangan, naha aja basa kitu, daek teu daek dipaksa. 

16. Pindah kalawan dimisti, teu meunang sakarĕp kula, tjara ka babandan bae, tjing kula menta sababna, nu matak kitu basa, sabab moal tambuh-tambuh, nitah pindah djeung pamaksa. 

17. Ngawangsulan Mantri Ginggi, ka Sang Pangeran Purnama, diundjukkeun hanteu geseh, sadawuhan Sang Sri Nata, nu djadi marga kĕdah, ngalih tina Bungbungümur, bilih matak djadi sangar.

18. Sanggeus Sang Nurasadjati, ngadangu kitu margina, nu matak kĕdah ngalih teh, mesěm djeung těras ngandika, ka Mantri Padjarangan, mun kitu kula teu pĕrlu, pindah tina ieu guha. 

19. Risi ĕnja matak djadi, raga kula watĕk sangar, sieun sangar ka karaton, sarta ka para ponggawa, wantuning sadajana, saeusi bumi ping-pitu, tatjan anut djeung kaula. 

20. Tinimbang kaula sudi, kana pindah ka pamĕngkang, leuwih hade rek ngaleos, ka luar ti ieu guha, djeung paman Arja Kumba, ki Mantri Ginggi ngawangsul, djeung langkung pasĕmon reuwas. 

21. Gamparan pamugi-mugi, ulah ngadolos pangěrsa, bĕndu dumugi ngalolos, margina tinangtos pisan, upami kajaktosan, gamparan kěrěsa kitu, djisim abdi anu tiwas. 

22. Ku rai Sang Adjĕng Putri, kenging hukuman nu beurat, margi eta laksa-kĕten, pamugi kĕrsa gamparan, agung² kawĕlas, ka diri abdi nu estu, bok bilih pinanggih bahja. 

23. Sang Putra mesĕm ngalahir, nja ari matak susah mah, sieun hukuman Sang Putren, kaula ge moal waka, njingkah ti ieu guha, ngan ajeuna Mantri kudu geuwat ka Ratna Suminar. 

24. Bedjakeun kula rek balik, tina sabab hěnteu meunang, tjitjing lila di guha teh, nja eta bisi baruntak, ku sangar diri kula, ki Mantri Ginggi ngawangsul, djeung pasĕmon leuwih bungah.

25. Nuhun gamparan migalih, ka djisim abdi miwělas, teu tjios kĕrsa [ 211 ]ngadolos, ku margi eta ajeuna, djisim abdi pamitan, bade ka gunung Sirkawur, něda hibaring pandunga.

26. Saur Sang Nurasadjati, kula ngadungakeun pisan, pamugi Jang Maha Manon, maparin kasalamětan, ka Mantri salawasna, teu njorang bantjang pakewuh, sarta tereh-tereh datang.

26. Reudjeung kaula ka Mantri, sumědja mihape surat, ka Rěsi guru Sang Putren, djěněngan Pramanik tea, ari badaratna mah, ku Mantri undjukkeun kudu, kaula katuring salam.

28. Njumanggakeun Mantri Ginggi, ka kěrsa Pangeran Putra, gantjangna nu ditjarios, barang ěnggeus nampi sěrat, těras bae pamitan, kawidian ku Sang Sunu, Mantri Djurang-padjarangan.

29. Kěbat tina guha tjandi, lir kilat bawaning gantjang, tjara pěrdjalanan pelor, tunda Mantri Padjarangan, tjatur deui Sang Putra, nu kantun di Bungbungümur, bandjar karang kamuljaan.

30. Njaur ka Aria Patih, tjobi ku paman manahan, mungguh Sang Saksari Katong, aja basa sieun sangar, baruntak djěro guha, dumeh putra tatjan anut, djeung bebet para kadjinan.

31. Ajeuna mah putra mikir, batan daek kaanutan, ku bangsa djin gěnděrěwo, memeh salin agamana, anggur putra ajeuna, rek njingkah ti Bungbungümur, balik ka nagri Riskomar.

32. Anteurkeun ku paman Patih, kang putra ajeuna pisan, bok bilih kabudjěng amprok, sarěng Ratu Saksaria, nu geuleuheun ka putra, Aria Patih ngawangsul, eta mah sadaja-daja.

33. Pun mamang mah amung ngiring, kana pangěrěsa Agan, mulih linggih sae bae, amung pun paman paněda, pamugi manah Agan, ulah aja rempan kalbu, ku Ratu Tolongtělěngan.

34. Pun paman nanggěl teh teuing, sanadjan gagah pěrkosa, paman hanteu serab sěber, wantun ngagarap ragana, amung ku hidji pisan, raos djěbol hanteu wantun, ku Putri Ratna Suminar.

35. Malah raos paman mugi, ieu teh guha ku Agan, sae angkěn milik bae, digeugeuh sarěng lěnggahan, etang-etang bojongan, kědah kitu lěbět kalbu, paman nu djadi patihna.

36. Salira Agan nu djadi, Dipati Bandjaran karang, ngajon ka kabeh narpatos, Sang Radja Putra ngandika, putra mah, mung ngiringan; supajana paman puguh, wawanen ngadjaga bahja.

37. Sanggeus Sang Putra ngalahir, Aria Kumba wawarta, ka para mantri sakabeh, pěndjaga Karangpanjiksan, kumaha sarerea, kira-kira maksud tumut, ka kěrsa Pangeran Putra,

38. Ngawangsulan para mantri, montong nganggo dipariksa, měng[ 212 ]gah katumutan hate, ka kěrsa Pangeran Putra, malah waktos ajeuna, pikir djudjur kana tumut, langkung ti kakang Aria.

39. Sang putra mesěm ngalahir, nja sukur ari kitu mah, sami pada welas abot, sadaja ka diri kula, ku sabab eta muga, mulus lulus tur rahaju, langgěng nandang kawalujan.

Dangdanggula

1. Radja Putra tětěp bae linggih, geus diangkěn ku pramantri guha, eta Sang Pangeran Anom, Sri Nata Bungbungümur, Maha Ratu Nurasadjati, malah-malah harita, taja nu ditunggu, Saksari Ratu Tolěngan, diajonan mun datang kalawan běngis, mindahkeun tina guha.

2. Tunda heula Ratu Nurasdjati, kotjap deui para putri dua, Pramanik djeung Sang Pinutren, masih aja di gunung, waktu eta nudju lalinggih, ngarendeng dina dipan, sami guněm saur, Arja Langlangturna aja, djeung garwana Siti Turnia teu těbih, majun ka putri dua.

3. Hanteu lami Sang Dewi Pramanik, těras njaur ka Ratna Suminar, eh aji Ratu Pinutren, atjeuk teh sakalangkung, nandang heran ku paman Ginggi, naha nu matak ělat, masih tatjan tjunduk, palangsiang meunang sabab, anu bakal ngadjadi geusan prihatin, ka Mantri Padjarangan.

4. Hanteu lami ngawangsul Sang Putri, atjeuk mugi ulah sěmang manah, ku margi rai tinangtos, upami hěnteu tjunduk, Mantri Ginggi di ieu sasih, rai mios njusulan, ka bumi pingpitu, saupami pangělatna, taja sabab ngan lantaran ku mělětjing, ku rai dihukuman.

5. Atanapi ku Djěng Rama Gusti, dibinasa Mantri Padjarangan, dumeh ngabolos ngaleos, ninggalkeun kamar ratjun, Kangdjěng Rama ku rai pasti, katut bawahanana, dibasmi ditempuh, diseepkeun sadajana, Sang Pramanik ngadangu tjarios Putri, imut bari ngandika.

6. Edas bae ari anu sakti, sumawonna ku bangsa nu lian,,kolot ge rek dikorojok, atjeuk mah estu paur, sasarěngan sinarěng aji, aringgis di ahirna, atjeuk njorang luput, kawantu bangsa manusa, kudu bae katěrapan ati lali, enggoning kaluputan.

7. Geus pinasti ka atjeuk teh aji, moal aja hampura timbangan, kadangkala djol bělědog, turug-turug kasebut, ku babasan anu geus galib, saherangna tjibeas, pikiran ka maru, sakitu atjeuk karempan, wantu-wantu atjeuk mah djělěma laip, bodo taja kabisa.

8. Ratu Putri ngadagu panglahir, langkung² ngadjěngok manahna, [ 213 ]dumugi ka ngorokotoj, reuwas tjampur kaduhung, risi kěbat Dewi Pramanik, kagungan manah hangham, ka Sang Rětna Aju, ku marga kitu adatna, hanteu lami sudjud ka pangkon Pramanik, Putri Ratna Suminar.

9. Bari njaur duh atjeuk pamugi, ulah aja panggalih nu rempan, menggah ka rai pribados, sumpah naruhkeun umur, saupami di awal-ahir, rai awon pikiran, lampah kumawantun, ngalawan ngahina basa, mugi rai ulah djamuga nja diri, dunja dugi aherat.

10. Sumawontěn měnggah rai nampi, saur awon anu lintang nista, ka diri rai pribados, nadjan kěrsa ngabunuh, rai sadrah ati běrěsih, tina marga emutan, ka atjeuk nu estu, miwah sumpah ka Pangeran, rai sědja ngangkën guru lahir-batin, numutkeun sapangěrsa.

11. Sang Pramanik ngadangu Sang Putri, langkung² nambahan kawělas, sartana ladjeng njarios, eh Adjěng atuh nuhun, galih lěmbek sarta běrěsih, ka atjeuk anu hina, kěrsa ngangkěn guru, ngan atjeuk taja pětana, dipiguru da puguh bodo tur laip, bukti kieu sipatna.

12. Ngan atjeuk mah paněda ka aji, mugi² ulah kitu manah, ngadjudjur hawa nu awon, turug² ka sepuh, eta ulah estu pamali, těmahna mo' djamuga, měrgahala sepuh, sanadjan gagah pěrkosa, moal burung kaběndon tjambal nja diri, apěs pangawasana.

13. Sabab asup tjatjandran nu galib, guru, ratu, nu kudu disembah, sarta wong atua karo, eta geus djadi rukun, jen nětěpkeun hurmat djeung tadim, mintonkeun kasetyaan, tanda sudjud tumut, kana sakur pangěrsana, eta kitu Adjeng ulah lali², bilih aja těmahna.

14. Sabab urang geus tětěp djasmani, kamanusan lain sato hewan, kasinungan budi hade, kudu pisan kasurup, larap elmu anu sadjati, langgeng kasatiaan, sabar nu satuhu, tara běngis barangasan, tingkah polah didjaring ku ati wěning, ngalap karahajuan.

15. Ratu Putri ngadangu pepeling, bati isin marga ku kamanah, rumaos andjeunna awon, ngadjudjur teuing napsu, anu hanteu sareng pamilih, běngis tur barangasan, teu lami piundjuk, rai teh rumaos pisan, kirang titi kairid ku murka ati, ratuning kaawonan.

16. Mung ajeuna nuhun laksa-kěti, dikadarkeun ku Anu Kawasa, ku kěrsa atjeuk kagondeng, teu surud nampi wuruk, tawis wělas ka diri rai, měgatan kalepatan, nungtun ka rahaju, upami teu sasarěngan, sapaosna djongdjon nandjur murka ati, moal aja saena.

17. Eta kitu saur Ratu Putri, tina tawis langkung katiginan, ngalap bagbagan nu sae, gantjangna nu ditjatur, barang eukeur guněman warti, Mantri Ginggi harita, ka Sirkawur djěbul, dongkapna ti awang-awang, ěnggeus aja di pajuneun para Putri, njěmbah seug ngadeuheusan. [ 214 ]18. Adjěng Ratna djeung, Dewi Pramanik, langkung gumira manahna, serewel njarěbat aeh, Ratna Suminar njaur, ka ki Mantri djuru, wěrědjit, eh paman naon sabab, bět kakara tjunduk, něpi ka aja bulanna, tjoba kula menta bedja anu sidik, lantaran paman ělat.

19. Mantri Ginggi ngawangsul ka Putri, rada galat djeung bari rumenghap, tina ku Putri dipěntjrong, tapi maksa piundjuk, teu kaliwat ku Mantri Ginggi, ti sabarang inditna, ti gunung Sirkawur, ngabantun. Aria Kumba, sarta něpi ka kamar tempat wěrědjit, guha Karangpanjiksan.

20. Diundjukkeun Kumba Aringäring, henteu tjios dihukumanana, lantaran tobat ngaděngek, sarta Pangeran Sunu, diundjukkeun ka para Putri, geus damang salirana lesot tina těnung, sehatna ku djerit Kumba, sarta pangna hanteu dihukuman pati, ditjaram ku Sang Putra.

21. Tatag titih undjukanna Mantri, sumawonna waktu ngadeuheusan, ka Sang Saksaria Katong, prabopati tuměnggung, dipiundjuk laluntur galih, rek sadrah ka Sang Ratna, bade gěntos elmu, nja eta salin agama, Ratu Putri sarěng Sang Dewi Pramanik, langkung bingah manahna.

22. Ratu Putri pok ngalahir deui, waktu ieu di mana lenggahna, eta Sang Pangeran Anom, Mantri Ginggi ngawangsul, linggihna teh di Bandjarsari, gědong Karangkamuljan, guha Bungbungümur, didjagi ku sadajana, abdi-abdi gamparan pun para mantri, kuntjen karang panjiksan.

23. Ratu Putri mariksakeun deui, ari eta si Kumba ajeuna, di mana ngadjědogna teh, Mantri Ginggi ngawangsul, dupi eta Aria Patih, tumut ka kérsa raka, ngagandek teu kantun, ngiring di Karangkamuljan, serah raga migusti lahir djeung batin, ka Sang Pangeran Putra.

24. Sarěng ieu ngabantun sim abdi, sěrat ti Sang Pangeran Pinutra, bade ka raka sajaktos, Sang Dewi Putri Wiku, badaratna anu katampi, saurna hatur salam, sinarengan mundut, pandunga kawiludjěngan, mung sakitu dawuhanana ka abdi, Sang Pangeran Purnama.

25. Sang Pramanik ngadangukeun Mantri, jen ngundjukkeun Sang Pangeran Putra, geus sehat tjara bareto, andjeunna langkung², nandang bingah dumugi nangis, murubut tjisotjana, djeung manah teu suwung, mudji sukur ka Pangeran, nganuhunkeun dikabul paněda galih, Radjaputra geus damang.

26. Hanteu lami Sang Dewi Pramanik, maos sěrat kintunan ti raka, ungělna anu kahartos, ingkang sěrat kahatur, ka pajuneun pandita istri, nu linggih di patapan, di gunung Sirkawur, marga kakang ngintun sěrat, taja sanes mung bade hatur tingali, tina kawiludjengan.

27. Sarěng kakang sarebu pamugi, něda dunga malar enggal², ka [ 215 ]luar tina prihatos, sarěng mugi pisaur, ka kěrěsa Sang Ratu Putri, Adjěng Ratna Suminar, mugi buru², ngaluarkeun tina guha, hojong geura patěpang sarěng prawargi, djeung sěpah di Riskomar.

28. Sinarěng manawi tingali, ka pun bodjo Nji Dewi Kania, seuweu Sang Resi Pasantren, kumaha masih mangkuk, djeung di mana ajana deui, palangsiang sangsara, atawa teu puguh, ku margi eta pamuga, saupami patěpang pasihan warti, pun bodjo Nji Kania.

29. Jen pun kakang keur nandang prihatin, dina guha nagara kadjinan, něda didungakeun bae, geusan lulus rahaju, bisa tereh² nja balik, ka gunung Gurangsarak, pihatur sakitu, ka kěrsa Njai Pandita, mugi djěmbar maparin piwělas asih, baktos Purnama Alam.

30. Saparantos Sang Dewi Pramanik, maos sěrat ngawuwuh kewuhan, teras ka Putri njarios, sarta pasemon měsum, geura ieu aos ku aji, ungěl sěrat engkangna, tjing kumaha atuh, da atjeuk mah teu tiasa, wungkul tekad kumaha pangěrsa aji, dina waktu ajeuna.

31. Saupami ajeuna teh aji, kěrsa djěngkar rek njandak engkangna, atjeuk mah ngan både ngantos, di masigit Binarum, sarěng atjeuk sumědja titip, walěran ieu sěrat, ka Pangeran Sunu, didungakeun aji muga, abot manah kalajan kawělas asih, ka atjeuk anu hina.

32. Ratu Putri ngawangsul djeung nangis, tjumalimba njusutan tjisotja, atjeuk aji narah bae, ka kěrsa atjeuk ngantun, sumawontěn ka anu těbih, nadjan parěk satumbak, hanteu wantun ngantun, dupi sanes awit marga, ku kasisih dumugi pastining diri, papasten tilar dunja.

33. Tigin ati teu bade sumingki, sakawawa sumědja bumela, moal ka seeh ku wěleh, satungtung nja lumantung, raga odjah di alam lahir, malah² kemutan, anu dipituhu, ti dunja dugi aherat, mugi-mugi paněda ka Maha Sutji, teu pěgat sasarěngan.

34. Sang Pramanik ngawangsul ka Putri, atuh aji kumaha pětana, mo sae diantěp bae, ku aji teu dibantun, eta dina seratna geuning, engkangna mundut enggal, ku aji ditulung, kaluarkeun tina guha, Ratu Putri teu lami ngawangsul deui, mangga sarěng atjeuk mah.

35. Dupi margi ku emutan rai, hanteu kědah Sang Purnama Alam, ku rai dibantunna teh, ku Ginggi oge tjukup, kawuwuhan langkung pěrjogi, teu aja basa hina, ku Ginggi dipunggu, moal aja ragab rempan, tina margi ngemutkeun sami lalaki, Sang Dewi ngawalonan.

36. Aeh jaktos sugan teh teu pulih, galih lilir kana paharaman, mitjeun halal nu bareto, Ratna Suminar imut, bari tungkul semu nu isin, ngadangu tjariosan, raka Putri Wiku, silib-sindir ka andjeunna, seug ngawangsul rai nuhun laksa-kěti, ku atjeuk kamanah mah. [ 216 ]37. Sang Pramanik gumuju ngalahir, balikanan mun teu kitu manah, tjiri agama teu netes, mung atjeuk mah panuhun, paman Mantri pamugi-mugi, mulang deui ka guha, ngadjagi Sang Sunu, sarěng atjeuk rek wěwěrat, ngintun sěrat ngawalěr parantos nampi, sěrat nu ti andjeunna.

Sinom

1. Sinarěng atjeuk wartosan, ungěl sěrat ti Sang Adji, teu lami Ratna Suminar, ngaos sěrat sarta tarik, pajuneun Sang Pramanik, ungělna anu kamaphum, Njai Ratna Suminar, santri Sang Dewi Pramanik, hal pěrkara surat ku ama katampa.

2. Ama leuwih nandang heran, lantaran Njai pribadi, lunta ti Karangkamuljan, ngalolos hanteu pupulih, taja titi panolih, ka sipat ama djeung ibu, lir rahkusumah, titisan bangsa narpati, anu njěkěl djědjěran karaspatian.

3. Padahal naon halangan, mun Njai satia ati, amitan heula ka ama, rek lunta njiar, pangarti, ama ge moal teuing, teu pulur kana ngadjudjur, kana sagala-gala, pikeun pangeusining ati, sipat mawat salamět dunja-aherat.

4. Tatapi mungguh ama mah, teu didjieun raheut pikir, nadjan Njai sakituna, ama teu pětot paměrdih, něda ka Mama Sutji, Njai mulus tur rahaju, tjaang padang pikiran, pangarti tereh sumari, sing kapipit tata sipat sadjatina.

5. Ngan Njai pamuga-muga, lamun geus tetes tumitis, paněmu anu utama, kudu gantjang-gantjang balik, sing aja tigin asih, njaah ka ama djeung ibu, sababna tangtu pisan, mun Njai ngaběrung pikir, salawasna lumampah sakama-kama.

6. Ama-ibu njorang bahja, moal walagri nja diri, lantaran nandang baluas, njoreang mělang ka Njai, kadangkala pinasti, diri ama reudjeung ibu, pědjah lantaran susah, mikiran anak sahidji, tangtu narik raraga kana naraka.

7. Djeung kadua pěrkarana, Njai ka ama měrědih, kudu ngaganti agama, njěkěl elmu kaom Nabi, ama maksud teh teuing, njagking elmu anu luhung, sandjan sarerea, para aria bopati, sawěwěngkon wadia bawahan ama.

8. Ka Njai rek nurut pisan, taja saurang nu mungkir, ngan supaja Njai geuwat, buru-buru kana balik, djeung ama rek pupulih, ajeuna di [ 217 ]di Bungbungümur, Bandjarkarang panjiksan, artja nu tjangkingan Ginggi, anu asal Purnama Alam Riskomar.

9. Bět tjageur lesot těnungna, ajeuna geus hirup deui, di gědong karangkamuljan, malah kabeh para mantri, pěndjaga djěro tjandi, kabeh taluk pada nurut, ka eta Ki Purnama, ama leuwih-leuwih risi, djadi sangar baruntak djěroning guha.

10. Tatapi ku ama tatjan, diroris ka guha tjandi, manggihan Purnama Alam, ku lantaran nunggu Njai, sababna ama risi, ku Njai hanteu kasurup, tina ku sabab eta, ama menta maksud Njai, kumahakeun ajeuna Purnama Alam.

11. Naha bawa ka nagara, atawana sina tjitjing, di guha karang panjiksan, atawana sina balik, usir ti guha tjandi, ama menta anu tangtu, pěrkara Ki Purnama, menta walon gasik-gasik, sarta dunga ama di Tolongtělěngan.

12. Saparantos maos sěrat, gumuju Sang Ratu Putri, sarta dibarung ngandika, lah ama bět matak seuri, ageng wawanen galih, rek nundung Pangeran Sunu, bět abong-abong sepah, pikun dugi leungit budi, sageuj lali waktu ngaronda ka guha.

13. Bět montong² ajeuna, geus waras sarta walagri, Pangeran Purnama Alam, tjatjakan di waktu tadi, masih ngadjadi tjandi, ama ampir² pupus, ku panas Sang Pinutra, ajeuna mah komo teuing, kadangkala tibalik djeung nagarana.

14. Dewi Pramanik ngandika, ka rai Sang Ratu Putri, pikir atjeuk tambah sěmang, nguping sěrat ti Sang Adji, ěngkangna rek diusir, ditundung njingkir teu puguh, těrus kalunta-lunta, lantaran hanteu tingali, pěrdjalanan ti nagri Tolongtělěngan.

15. Atawana palangsiang, dibinasa dinjenjěri, disangsara sina lara, ngandika Sang Ratu Putri, ka Sang Dewi Pramanik, bo atjeuk rebu panuhun, kagungan manah semang, ku kěrsa ama Narpati, bade ganggu ka salira Sang Purnama.

16. Tina margi upamina, kajaktosan hiri-děngki, sakumaha ungěl sěrat, rai tangtos nandang lali, mo aja kaping buri, nolih ka nu djadi sepuh, mo kenging dihalangan, nadjan ku sipat Batari, sabuana sipat djin djeung kamanusan.

17. Moal alang kumapalang, ngabasmi dumugi lědis, kasebat lěbět kadjinan, tina tigin pikir rai, ku maksad bela pati, ngawalon Sang Putri Wiku, eta nu djadi marga, atjeuk měrih ti tatadi, hajang enggal ěngkangna tjandak ti guha.

18. Malar teu kantos baruntak, di bumi ku nu teu eling, kumaha mun [ 218 ]tutulujan, kana pusing murang-maring, ka Batara-Batari, nu bangsa luhung paněmu, atjeuk wuwuh risina, kawantu radjeun mepeling, salawasna ngan purah ngahalang-halang.

19. Kahajang atjeuk ajeuna, ieu paman Mantri Ginggi, sina těras deui mulang, ka bandjaran guha tjandi, dikědahkeun ngadjagi, ngiring Sang Pangeran Sunu, bok bilih kuma onam, Sang Putra hanteu diaping, ngawangsulan Sang Putri undjuk sumangga.

20. Těras Sang Ratna Suminar, ngandika ka Mantri Ginggi, eh paman Mantri ajeuna, kudu bae balik deui, bantun sěrat ka Gusti, badaratna mah panuhun, Sang Pangeran Purnama, kudu angkěn ku pangasih, sakumaha ka putra anu geugeuhan.

21. Malah ku kabeh ponggawa, sawěngkon pusěring bumi, sarta tangenkeun ku paman, saha-saha anu mungkir, těgěsna teu gumati, ka kěrsa Pangeran Sunu, pinasti ku kaula, ditibanan hukum pati, moal aja kana hampura timbangan.

22. Dewi Pramanik ngandika, ka Mantri djuru wěrědjit, ku paman emutkeun pisan, eta dawuhan Sang Putri, leuwih-leuwih mateni, mun taja nu sungguh², ngadjaga Sang Pinutra, tinangtu djin beak lědis, pada njebut ku watěk Radja Pinutra.

23. Kadangkala pada njapa, dipěrih sina balai, kudjin anu teu běrdosa, ku margi eta pamugi, ajeuna paman gasik, mulang ngadjagi Sang Sunu, djeung ieu putra wiat, sěrat ka gustining ati, nu ngageugeuh pangeusi Karangkamuljan.

24. Sang Adjěng Ratna Suminar, imut barina ngalahir, ka Ki Mantri Padjarangan, mangga atuh paman gasik, ajeuna bae indit, didoakeun muga mulus, nandang kasalamětan, njumanggakeun Mantri Ginggi, těras mios ka nagri Tolongtělěngan.

25. Tunda Mantri Padjarangan, něruskeun Sang para Putri, Dewi Pramanik, ngandika, ka rai Sang Ratu Putri, atjeuk arek měrědih, pikeun ladju nu rahaju, keur pilampaheun urang, da moal sae teh teuing, salawasna marunggon di pangalasan.

26. Kumaha rai pangěrsa, mupakatna nu sajakti, tětěp atawana ingkah, ti ieu gunung patani. lamun mupakat indit, ka mana anu didjugdjug, atjeuk arek ngiringan, ngawangsul Sang Ratu Putri, dupi raos rai mah manawi rěmpag.

27. Wireh rai gaduh tunda, anu tadi dipiwarti, Ratu nagari Banuja, djěněngan Sang Raraspedi, nudju nandang prihatin, dina těgal Sulungtubu, utusan Sang Ambarak, nangkěp Sang Pramajon Adji, mung teu tjios lantaran si Kumba pědjah. [ 219 ]28. Mung tadi aja basana, waktos ditaros ku rai, maksudna malik ngalawan, ka Sang Putiasukmadji, ngan rada hěmar-hěmir, wantu² eleh djadug, ku Sang Putiasukma, ma'lum di adatna djalmi, sok pěrtjaja ka bedja nu tatjan njata.

29. Margi eta manawina, karěmpagan sarěng galih, sumangga ajeuna djengkar, urang angsonan sakali, supaja těrus wani, kana ngadeg djaja pupuh, ngajonan Sang Ambarak, ku rai bade diaping, Sang Banuja dina těngah danalaga.

30. Itung² njieun djalan, kana mangmalěskeun pati, nigas beuheung Sang Putia, djeung si Endang Rohongguris, anu ngadjadi awit, njangsara Pangeran Sunu, Sang Pramanik ngandika, atjeuk mah kumaha aji, ngan atjeuk mah ka aji aja paněda.

31. Lantaran atjeuk teu bisa, leumpang ngambahing wiati, kawantu sanes kadjinan, paněda atjeuk mah mugi, aji lir tata djalmi, angkat titih kadjeun ripuh, djalan raratan lemah, ngawangsul Sang Ratu Putri, menggah rai ngiringan kumaha kersa.

32. Sumawontěn ngambah lemah, ukur ngaping ngiring², sanadjan hojong uninga, pĕrdjalanan di wiati, ku rai teh pinasti, salira atjeuk dipunggu, Sang Pramanik ngandika, dibarung gumuju manis, masa Allah tjara waliwis djeung kuja.

33. Ah aji atjeuk ah narah, ditjandak ngambah wiati, bět asa ngaleuleuwihan, tina poko nu paranti, anu ěnggeus katjangking, bisa lumantung ku suku, hanteu pisah djeung lemah, ti barang gumělar hurip, nu dipaham raratan kamanusaan.

34. Ngawangsul Ratna Suminar, angkat ge rai mah ngiring, mung panuhun enggal², ngawalon Dewi Pramanik, mangga di dintěn endjing, ajeuna urang barěmpug, sinarěng paman Turna, tumaros dawuh mustari, sugan masih njangking bangsa palintangan.

35. Sang Dewi Pramanik těras, njarios ka Turna-Turni, paman ajeuna teh putra, sarěng ieu Adjěng Putri, sumědja bade amit, bade mios ka nu djauh, Sulungtubu ngaranna, něpungan hidji Bopati, Sang Sri Maha Ratu nagara Banuja.

36. Ku margi eta paněda, sihing galih paman jakti, pandunga kawiludjěngan, teu njorang geusan tjotjobi, sarěng pamugi-mugi, makbul sugri nu dimaksud, lesot ti marga lara, nu dipěrih siang-wengi, mugi-mugi panutan kasalamětan. [ 220 ]

Asmarandana

1. Turna-Turni barang nguping, jen para Putri pamitan, duanana teu ngawalon, wungkul njusutan tjisotja, tina langkung těrěsna, sěsah ku arek dikantun, ka nu sakitu djauhna.

2. Aringgis teu těpang deui, lami-lami ngawanlonan, duh Adjěng para Pinutren, hate paman kantun susah, ku bade ditalilar, ka tětělar Sulungtubu, těmpat kaju Langlangsona.

3. Ngan wungkul měntěgěg ati, da njaram mah teu tiasa, puguh kasipat ku hate, ngemutkeun marga mangsana, uga waktu ajeuna, tuturan paněmu wiku, babaran ti paham adjar.

4. Mung ajeuna ati mukti, mědalkeun bangsa pandunga, něda ka Gusti Jang Manon, Pangeran nu murbeng alam, maparin karamatna, sipat waluja rahaju, laksana sugri pangěrsa.

5. Tapi paman ge pribadi, dina salěbět ditilar, ngadederek ku pangdenge, sarěng pangrasa ilapat, tanda-tanda adjěngan, geus lungsur kana rahaju, nandangan geusan waluja.

6. Tangtos paman indit sirib, nilar gunung pangěbonan, tanda tina geus tumete, watěs-wangěnna subaja, ukuran lalampahan, nja wangsul ka asal-usul, ka lěmah tjai sorangan.

7. Dewi Pramanik ngalahir, paman pěrkawis eta mah, ku putra ge geus kahartos, pang urang kieu nja lampah, sami² nandangan, njusul geusaning rahaju, milampah djalan tarekah.

8. Kairid ku bandjir lahir, katěbak ku lambak dunja, emutan wajahna bae, ngan sugan² ahirna, tumiba geusan mulja, lantaran tuhu miruruh, ngimeutan kasalamětan.

9. Sang Ratu Putri ngalahir, ah paman ulah tjangtjaja, marga kula ěngke oge, upama geus kasalsean, laksana pamaksadan, tangtu pisan buru-buru, paman ku kula dirawat.

10. Djeung lamun kula geus indit, ka tětělar Langlangsona, Mantri Ginggi djuru kuntjen, manehna ka dieu datang, tjaritakeun ku paman, kudu buru-buru susul, ka tětělar Langlangsona.

11. Gangtjangna anu digurit, Pramanik Ratna Suminar, saparantos tjatjarios. karulěm di pagulingan, ngantos poe isukna, katjatur geus waktu subuh, garugah sami ka djamban.

12. Hanteu lami para Putri, ngalahir ka Turni-Turna, putra darunga[ 221 ]keun bae, pamugi kasalamĕtan, sartana enggal², diturunan geusan wahju, laksana sapangarĕpan.

13. Turna-Turni bati tjeurik, bari teu pětot ngadoa, njalamětkeun nu rek mios, ngaos doa tulak bahla, djeung panjinglar parantjah, pokona mah tawil umur, ngarah pandjang rahajuna.

14. Ladjĕng djengkar para Putri, njonggeang mudun ka lĕbak, nudju ka pangawat kaler, ngaliwat tětělar datar, djungkrang lamping kasorang, nudju ka leuweung nu liwung, naradjang těgal nu lenglang.

15. Djurig² pada njingkir, setan-setan lalumpatan, onom mah ngan bati njěmpod, serabeun ku pangabaran, para Putri nu angkat, hanteu suda hanteu ripuh, dibarung ku pangawasa.

16. Para Putri ĕnggeus těbih, angkatna tjarang lirenna, lamina geus tudjuh poe, dongkap ka hidji těgalan, lenglang taja kaian, datar tjara, alun-alun legana tuna paningal.

17. Djongdjon angkat para Putri, nudju ka těngah tětělar, sarta mangsa tengah poë, tapi teu ngaraos panas, lantaran ku maunat, nu majungan kuwung-kuwung, kalang anu ngahalangan.

18. Kana těngah těgal sumping, bět aja hidji walungan, ngudjur ti wetan ka kulon, tjaina herang katjida, tjara tjai saringan, praputri liren teu ladju, ku ningal tjai walungan.

19. Katingali aja leuwi, semu nu langkung djěrona, tjaina dumugi hedjo, Pramanik Ratna Suminar, ngaranděg di sisina, emutanana rek antjrub, kersa ngarumbah sampean.

20. Tatapina para Putri, lalungsur teu katjiosan, lantaran marĕndak kaget, anu teu aja hinggana, wireh aja paměndak, ti djĕro leuwi ngurumuj, ka luar tina dasarna.

21. Dua awewe rarintit, sapasang tjara nu kĕmbar, kulit harideung lir mehong, huntuna tonggar barodas, sarta barang bidjilna, djol gabrug ka Putri Wiku, sudjud kana sampeanna.

22. Bari njĕbut aduh Gusti, ratuning nu dipikiblat, djisim abdi laksa kěten, marga tina kanuhunan, laksana nu ditěda, kenging ngalĕngkur tapakur, něněda ka para Dewa.

23. Měrih Batara-Batari, mutang ka para Sangiang, paněda maksad tiněmon, kalajan lĕnggah gamparan, ajeuna ninggang kadar, hasil anu dipituhu, patěpang sareng gamparan.

24. Pramanik hanteu ngalahir, deudeupeun langkung kagetna, malah barang dirangkul ge, Sang Pramanik reuwas ngědjat, ningal nu kitu pěta, turug-turug pande kitu, saumur kakara měndak.

25. Bidjil tina djĕro tjai, kamanah tangtu siluman, nu bakal narik [ 222 ]tjotjoge, sipat gogoda rantjana, Sang Pramanik ngandika, ka rai Sang Adjĕng Ratu, tjobi ku rai pariksa.

26. Lantaran atjeuk teu ngarti, pang milampah kitu pěta, ka atjeuk sudjud ngarontok, kawas nu aja asalna, geusan kaprihatinan, teu lami Sang Putri njaur, ka eta dua silĕman.

27. Tandang dangah sarta bĕngis, teureugeus taja karempan, mariksa ditompo-tompo, maneh teh bangsa silĕman, atawana manusa, reudjeung naon nu dimaksud, anu matak kitu pěta.

28. Tjoba ka aing pupulih, nu djadi asal-usulna, kade ditjampur ku linjok, reudjeung saha sia ngaran, enggal nu dipariksa, ka Ratna Putri ngawangsul, sarta teu kira hurmatna.

29. Hal perkawis diri abdi, kasĕbat bangsa siluman, dupi ngaran nu sajaktos, abdi katělah, Manetja, dupi wasta ieu mah, pun adi Manetji estu, dulur saindung-sabapa.

30. Djadi Manetja Manetji, tina margi sakĕmbaran, pun bapa pangkat Narpatos, Sagara-keusik nagrina, Ratu Putri ngandika, oh paingan goreng patut ari anak siluman mah.

31. Tapi naon anu djadi, lantaran pang kieu lampah, Manetja těras ngawalon, dupi abdi saawitna, pang kieu lalampahan, sabada pun bapautjul, tina karadjaanana.

32. Anu ngagěntos Narpati, pun lantjeuk Maha Rundjana, njěkěl turunan ti kolot, amung Sang Ratu Rundjana, tatjan kagungan garwa, baris wawangen kadatun, pangkat ka Prameswarian.

33. Teu lami Sri Maha Adji, harita těras ngalamar, ka hidji putri Narpatos, Gujunglimbu nagarana, Putri ti Prameswara, mashur tina patut sĕmu, didaměl kěmbang Paměngkang.

34. Putri Endang Rohongguris, Sang Burusganur ramana, amung barang dilamar teh, Rohongguris hĕnteu nampa, nampik sapadjodogan, djĕbras-djěbris djeung tjumiduh, ngahina ka Sang Rundjana.

35. Bari njĕbut nad jis teuing, dikawin ku nu godegan, da hajang ka nu bolostrong, pun Rohong kitu sanggěmna, ka Sang Ratu Rundjana, taja pipinding pangěmu, kontan di pajuneunana.

36. Atuh Sang Rundjana Adji, langkung tina baluasna, ku nampi omong Nji Rohong, bawaning dianggo manah, těrasna kalělěban, teu damang dumugi ngangluh, ampir nilar padamělan.

..

[ 223 ]1. Hanteu lami Sang Rundjana Adji, miwarangan ka abdi duaan, milari djampe pamake, ka bangsa wiku², atanapi adjar djeung rěsi, baris kias tarekah, sipat gěndam dujung, anu dipalar laksana, Maha Ratu Rundjana ka Rohongguris, kabandang djadi garwa.

2. Tina langkung hawatosna abdi, ka salira pun lantjeuk harita, nja těras duaan mios, dupi anu didjugdjug, hidji gunung patapan rěsi, pandita kamanusan, djagat madhab kidul, pandita kongas waspada, kakasihna Sang Rěsi Komartohidi, patapan Ragatoja.

3. Hanteu lami ka patapan dugi, těras bae abdi ngadeuheusan, sarta Sang Rěsi marios, naon anu dimaksud, pang maraneh datang ka kami, ku abdi diwangsulan, sakumaha maksud, diundjuk tina awitna, njiar burat sipat pangirut-pangurit, babaran kinasihan.

4. Saur Rěsi hanteu bisa kami, kana bangsa djampe djangdjawokan, elmu pangěmat pamelet, ngan kami arek nulung, mangnuduhkeun supaja hasil, ku maraneh lampahan, sarta buru², djugdjug gunung Gurangsarak, těmpat Rěsi ngaran Pasantren Pramanik, djěněngan Wiku Kurbah.

5. Eta Wiku kagungan sahidji, putra istri djěněngan Kania, lalanden urang pasantren, eta putri teh kudu, beurang-peuting ku maneh aping, tapi ulah katingal, ku Nji Putri Wiku, sumawonna ku nu rea, engke lamun geus sumping putra Narpati, Pangeran Purnama Alam.

6. Ku Manetja kudu geuwat aping, nu djěněngan Sang Purnama Alam, Manetji ngaping Sang Putren, ěngke lamun geus těpung, Radja Putra djeung Njai Putri, duanana kedanan, sarta pada ngangluh, sami marědal tjisotja, ku Manetja reudjeung ku ieu Manetji, tjisotjana tandean.

7. Djeung wadahan kana ples nu leutik, saěnggeusna ku maraneh bawa, tjisotja Pangeran Anom, ulaskeun ka Sang Ratu, kana taar masingna lantis, sarta kana rumbahna, djeung tungtung pangambung, ari tjisotja Kania, heug ulaskeun kana beungeut Rohong Guris, malar dina ahirna.

8. Rohongguris upami ningali, ka Rundjana tangtu kaedanan, lir, Kania ka Sang Anom, Sang Ratu mah geus puguh, eukeur dasar bogoh ti tadi, katambah dikiasan, beuki komo tangtu, kitu saur Sang Pandita, hanteu lami abdi teh ti dinja amit, ku Rěsi kawidian.

9. Těras abdi ti patapan indit, djeung pun adi hanteu pisan pisah, [ 224 ]saban pasantren dilongok, enggalna abdi tjunduk, tina leukeun ku dipilari, pasantren Gurangsarak, abdi sup ka tadjug, taja santri anu ningal, waktos eta abdi raga djirim lantip, marunggon dina bongbak.

10.Abdi lami di pasantren tjitjing, teu kaetang taunna winduna, Sang Putri ge burěj keneh, kintěn juswa sataun, lami-lami gurudag sumping, putra Ratu Riskomar, nu kasep pinundjul, kěrsa masantren di dinja, těras bae Sang Radja Putra ku abdi, teu pisan dianggangan.

11.Dupi ieu pun adi Manetji, nja gamparan anu diapingna, siang-wěngi hanteu lesot, wuwuh gamparan nudju, waktos eta ěnggeus birahi, sěděngna kabalegan, mustika pamulu, nalika gamparan těpang, sinarěngan Sang Putra anu raspati, di karang patamuan.

12.Abdi ningal nu sami sarasmi, duanana sami kalělěban, putra-putri hěnteu geseh, ngangluh pada kairut, sami² bidjil tjitangis, ku abdi ditandean, ku kapas djeung tjupu, dumugi kana nalika, gamparan teh diusir ku maha Rěsi, lantaran aja pitnah.

13.Waktos eta gamparan teh nangis, těras djěngkar ditundung ku rama, ka bumi karang patamon, ngadeuheus ka Sang Sunu, barang těpang sami narangis, gamparan djeung Sang Putra, ku abdi teu suwung, tjai sotja ditandean, pinuh soteh tabuh gěněp endjing², bubar kaprihatosan.

14.Saparantos abdi těras indit, gagantjangan wangsul ka nagara, barang dongkap ka karaton, ngadeuheus ka Sang Ratu, saur Ratu bět lila teuing, diitungna ku kakang, tudjuh bělas taun, enggalna ku abdi těras, eta landong diulaskeun sarěng lantis, kana raraj Sang Radja.

15.Ënja eta tjisotja nu kenging, tina sotja Sang Purnama Alam, kana taar kana djanggot, teu lami abdi těrus, ti nagara arindit deui, kana pusěr sagara, nagri Gujunglimbu, nja eta anu dimaksad, bade ngulas beungeut Endang Rohong Guris, ku tjisotja gamparan.

16.Amung langkung nandang heran abdi, barang dongkap ka pusěr sagara, Gujunglimbu narikolot, Sang Ratu Burusganur, sinarěngan Nji Rohongguris, malah² patihna, ngaran Barakgirung, teu aja duka ka mana, anu kantun wungkul rajat abdi-abdi, anu masih araja.

17.Rohongguris hantěm dipilari, di kaputren těras ka paměngkang, suwung saeusi karaton, panto-pantona nutup, tina wěleh abdi milari, nja těras bae mulang, bari nandang bingung, tatapi abdi harita, hanteu těras wangsul ka Sagara-keusik, maksad ka Ragatoja.

18.Nu dimaksad bade naros deui, ka kěrěsa Rěsi Ragatoja di mana si Endang Rohong, teu lami abdi tjunduk, ka Sang Rěsi Komar Tohidi, undjukan sapaměndak, ngandika Sang Wiku, pěrkara Rohong ajeuna, moal bisa ngabedjakeun mungguh kami, Rohongguris ajana. [ 225 ]19.Ngan rek mere pěrdjalanan kami, malar Rohong ku maneh kapěndak, ajeuna mah djugdjug bae, sartana buru², poma ulah ngěngkekeun deui, ka těgal awat², pernah kulon-kidul, těngahna aja walungan, maraneh teh dina leuwina nja tjitjing, nunggu-nunggu těrbuka.

20.Eta kali ngaran Lariburi, patapaan bangsa duruwiksa, nu maksud kana tiněmon, kana geusan rahaju, ěngke tangtu aja nu sumping, dua putri arendah, ku maraneh kudu, saruhunkeun piwělasna, kěrsa nuduh ajana Nji Rohongguris, sabab andjeunna těrang.

21.Hanteu lami abdi amit deui, ka kěrěsa Rěsi Ragatoja, atuh těras bae mios, ka dieu nu didjugdjug, tjitjing mukim di ieu leuwi, nu kaemut lamina, sataun ge langkung, barang ret abdi teh ningal, ka gamparan teu pisan samar nja ati, putri Dewi Kania.

22.Putri Wiku pasantren Pramanik, abdi hěnteu samar-samar rasa, nadjan parantos lami ge, ku margi eta nuhun, dikadarkeun papěndak deui, kadua pěrkwisna, sumědja panuhun, gamparan aja piwělas, katěrangan ajana pun Rohongguris, nu lolos ti nagrina.

23.Kawuwuhan dawuhan Sang Rěsi, jen gamparan nu tangtos uninga, di tempatna Endang Rohong, sarěng Sang Burusganur, anu mawi ajeuna abdi, isin oge wajahna, ngukuhan panuhun, měnggah ka lěnggah gamparan, Sang Pramanik gumuju bari ngalahir, ka Manetji Manetja.

24.Aeh-aeh bět teu njana teuing, andjeun těrang ka babad kaula, lampah nu sae nu awon, bubuhan kula mahluk, katětěpan anu geus pasti, hina djeung kaapěsan, taja anu unggul, ku kula ěnggeus karasa, waktu eta teu těrang aja nu ngintip, kaduhung kadjongdjonan.

25.Kitu deui andjeun teh měrědih, menta tuduh patěmpatanana, anu ngaran Endang Rohong, putri Sang Burusganur, mungguh kula anu sajakti, teu pisan² těrang, sumawonna těpung, ngaranna ge bět kakara, bedja andjeun aja ngaran Rohongguris, siga naon rupana.

26.Lamun andjeun maksud rek měrědih, ulah arek ka diri kaula, ka ieu bae Sang Putren, dulur kaula estu, putri Ratu pusěring bumi, Adjěng Ratna Suminar, geus tinangtu maphum, ka ngaran Nji Rohong tea, hanteu lami Sang Ratu Putri ngalahir, ka Manetji Manetja.

27.Oh Manetja djeung ieu Manetji, lampah maneh anu geus didadar, njiar djampe djeung pamake, baris ngirut ngadujung, anu ngaran si Rohongguris, duruwiksa sagara, anak Burusganur, kami teh leuwih handjakal, lamun kami njaho maneh waktu ngintip, atjeuk di Gurangsarak.

28.Tangtu maneh ku kami pribadi, djol bělětok dikětig tjungurna, bongan pěrtata bělěngong, tědak laku tjuludur, wani titi taja panolih, [ 226 ]lir kaja ka sasama, tjampělak teu patut, rungkang-rongkong kana raraj, abong² siluman Sagara-keusik, bět surup ka patutna.

29.Turug² eta teh tjitangis, lain baris ngagěndam nu endah, bět pikeun ngadujung barong, Sang Pramanik gumuju, bari njaur lah Adjěng Putri, ěngkeun bae karunja, sarěng itung-itung, piluwangeun ka hareupna, boga lampah anu teu dibarung lantip, nadjan nudju njorangan.

30.Ngawangsulan Putri ka Pramanik, jaktos pisan mun kitu manah mah, mung raos rai pribados, kantěnan ka Sang Sunu, djabi tina nande tjitangis, tangtos aja tambihna, laku nu teu patut, tjupu-tjupa ngaragapan, Sang Pramanik gumudjeng lir bungah galih, ngadangu Adjěng Ratna.

31.Bari njaur lah puguh teh teuing, ěngkangna mah sumawon manusa, bangsa siluman ge bogoh, Ratna Suminar imut, nampi saur Dewi Pramanik, raos sindir panjaram, ulah sok timburu, ku sangka nu hanteu njata, nu didjagi bok bilih baring supagi, wirang lamun sulaja.

32.Turug² ka nu lain tanding, timburuan ka bangsa siluman, rupana ratuning goreng, Ratna Suminar těrus, njaur deui teu eureun běngis, ka Manetji Manetja, djeung dibarung nundjuk, pěrkara maraneh nanja, patěmpatan nu ngaran si Rohongguris, kami teh njaho pisan.

33.Tatapina waktu ieu kami, moal aja pamaksud ibadah, ngamonjah-monjah pangartos, nadjan maneh ngaběrung, keukeuh menta pitulung kami, kami taja pětana, ka maneh ngagugu, sumawonna karek basa, ukur menta pitulung piwělas asih, kasěbut gawe balas.

34.Nadjan maneh upama ka kami, arek ngongkos ku dunja barana, hamo ku kami direret, sabab kami teu butuh, ajeuna mah neangan deui, nu baris kana bisa, nuduhkeun si Burus, kami teh lain teu njaah, ngan bolampar kami ge nudju prihatin, aja nu diteangan.

35.Ngan teu kudu mungguhing ku kami, dibedjakeun nu djadi kasusah, sabab diri maneh hamo, ka kami bisa nulung, tina sabab maneh kabukti, tjatjakan barang gampang, nu teu kudu bingung, aja dina biwir mata, ngadjědogna duruwiksa Rohongguris, mata maneh kasulap.

36.Komo teuing mun kasusah kami, ditěrapkeun ka nu kitu rupa, kadangkala beuki renghek, Dewi Pramanik imut, ngadangukeun lahiran Putri, poksang taja kabingbang, abong² alur, ngumbar hawa barangasan, estu ludeung teu aja anu dihiding, wantu tědak kadjinan. [ 227 ]1.Manetji reudjeung Manetja, segruk tjeurik nguping dawuhan Putri, jen moal kěrěsa nulung, nuduhkeun patěmpatan, Rohongguris sareng Ratu Burusganur, tungtungna mah sěrah badan, Manetja sarěng Manetji.

2.Gamparan abdi tinimbang, teu dimanah sugri panuhun adi, sae anggur abdi bunuh, tělasan ku gamparan, hirup oge dikintěn saumur-umur, taja marga kasěnangan, teu sěpi ririwit ati.

3.Eukeur mah lara ku marga, diri abdi estu pahatulalis, taja bapa taja indung, nuturkeun dulur tjikal, anu baris miara darapon hirup, kawuwuh běngis adatna, ka abdi teu aja adil.

4.Malah abdi pangkieuna, luluntaan sarěng ieu pun adi, teu aja nu teu kadjugdjug, mitjeun raga djeung njawa, tina sieun abdi ku nu djadi dulur, Sang Maha Ratu Rundjana, samalah saurna tadi.

5.Saupámi hanteu meunang, tangtos abdi kenging hukuman pati, ku kěrěsa Maha Ratu, bagdjana tangtos pisan, diri abdi ditundung teu kenging wangsul, kitu nu djadi margina, nu djadi kasěsah abdi.

6.Ajeuna abdi mangsana, njorang pati lantaran hěnteu hasil, ditilas beuheung ku dulur, saupami gamparan, těras taja piwělas kěrěsa nulung, Sang Adjěng Ratna Suminar, gumuju bari ngalahir.

7.Oh kutan Ratu Rundjana, dugal běngis tata teu aja adil, ka anu djadi sadulur, turug² teu pěrnah, kawas lain tata anu djadi ratu, teu ngutus bangsa ponggawa, papatih atawa mantri.

8.Ajeuna kami kakara, sědet ati aja watir saeutik, dikira satungtung buuk, ka maneh duanana, maksud oge nulung tapi moal rusuh, di waktu-waktu ajeuna, tempo dua tilu sasih.

9.Ari anu djadi sabab, paměrědih maneh teh leuwih², ngadjadikeun kana bingung, lantaran pasal beurat, leuwih-leuwih ti waridan sipat elmu, malah aja sasaratna, panadjěm basa paradji.

10.Atawa tjangkrub tjaina, moal beunang ku pangadji saringgit, itung² něbus elmu, lamun taja saratna, tangtu njangkang moal tiněmu djeung husu, nja djadi waridan gaplah, moal pinanggih djeung hasil.

11.Tah kitu nu djadi susah, turug² ku kami katingali, maneh teh sagala suwung, hěnteu barang teu uang, pikeun tandon panadjěm nampana elmu, ngan ajeuna kudu sabar, mun hajang pinanggih hasil. [ 228 ]12.Gantjang ngawangsul Manetja, hal pěrkawis gamparan sěsah galih, ku margi kědah ditěbus, panadjěm pěrtuduhan, tina margi abdi hěnteu barang bantun, uang atanapi barang, amung hanteu sěsah abdi.

13.Margi parantos biasa, panadjěm teh aja dua pěrkawis, upami anu teu gaduh, barang atawa uang, ku tanaga kumawula nu satuhu, ngadjaga sapiwarangan, migusti lahir djeung batin.

14.Tina abdi kajaktosan, ngaligintjing kantun diri nu bukti, mung maksud anu satuhu, kana marga laksana, sapangdawuh bade kumurěb tumutur, minangka něbus ku njawa, tigin ngadjait ku pati.

15.Ajeuna mah nja sumangga, ku gamparan engal² piwarti, ajana Sang Burusganur, Ratu Putri ngandika, si Manetja aja hodjah arek nipu, menta dibedjaan heula, ajana si Rohongguris.

16.Kudu maneh nu ti heula, kumawula ngiring ka diri kami, engke lamun ěnggeus putus, sarta kasalamětan, diri kami dikabul anu dimaksud, kaluar tina kasusah, leungit geusaning prihatin.

17.Di dinja kami tumiba, pěrtulungan ka Manetja Manetji, nuduhkeun Rohong djeung Burus, ari waktu ieu mah, asa moal kami teh kana ngagugu, nadjan keukeuh nadjan maksa, anggur maneh ditampiling.

18.Manetji sarěng Manetja, njěmbah sudjud ka eta Ratu Putri, réuwas sieun těrus běndu, abdi sadaja-daja, kuma' kěrsa gamparan anu saestu, abdi sumědja ngiringan, mung supados dipiasih.

19.Saur Sang Ratna Suminar, kudu kitu ari ěnja mah tigin, ka anu rek dipimaksud, supajana laksana, ngan pamenta kudu mitjeun laku alur, kawantu adat siluman, salaman-sulumun ngintip.

20.Pramanik imut ngandika, aji haju urang arindit deui, gantjangna anu ditjatur, para Putri djalěngkar, Nji Manetja Manetji ngiring ti pungkur, angkat di si Awat², nilar Kali Lari-buri.

21.Tětělar ku matak kělar, sakuriling tek aja aling², těbeh kidul leuweung liwung, sampalan beulah wetan, pangawatan kaler hunjur nu laluhur, ti kulon tanah sampalan, paranti brahala ulin.

22.Sato² sadajana, sami sěmu těrang ka para Putri, nudju ngandung manah ngungun, tandana kanjataan, para Putri luhung paněmuna mandjur, sato katarik maunat, sami² ngiring sedih.

23.Sawareh nu ngabubungah, mun surili lir ngigěl ulěr kili, tikukur lir těmbang pangkur, monjet² ngarudat, bangkong bangbung patembalan lagu ringkung, simeut² salamětan, anis anu rara tangis.

24.Djingdjing-teureup tandak djungdjang, lamun heulang ngalingling lir nu njuling, manuk apung lir njělěmpung, kadantja kaja dangsa, lutung² [ 229 ]sada ngangklung tjikurantung, djogdjog anu djodjogedan, sondari nu gunungsari.

25.Ngan gagak nu tukang sěnggak, kidang² sada anu ngarinding, pujuh gonggong sada děgung, tando anu badinda, walik² tingtjarěluk sada běluk, djawawut sada njalawat, geuri mah ngan bati seuri.

26.Adjag nu ngigěl badjigdjag, untjal² sada nu ngawih midjil, munding² ngawih kidung, dadali dangdanggula, ari peutjang ngatjatjang djeung tembang putjung, kumbang² těmbang lambang, langgir anu maen djungkir.

27.Mun angkat ngaliwat rantja, kidjing² teu tjitjing lir ngagondjing, kuja-kuja nu kulaju, rarong nu babarongan, běrod-běrod sili sered meh bararud, sěpat sěpat balap lumpat, hurang-hurang ngahariring.

28.Kantjra tjara anu měntja, djatun² anu lagu manintin, gabus anu laku děbus, lauk 'mas udan ěmas, uling² ngalingling djeung sada njalung, mun bogo siga ngalaga, djěler anu ngigěl silir.

29.Kabeh sato ngabibingah, taja pisan nu wani hiri děngki, sěmu nu ngiring nunuhun, marga kawiludjěngan, Nji Manetja Manetji oge teu suwung, tjarita haharewosan, di pungkureun para Putri.

30.Omongna Njai Manetja, ka Manetji atjeuk bareto manggih, tjarita ti batur², Sang Ratu Saksaria, anu mangkon nagri di bumi pingpitu, putrana kamashur pisan, sakti manggulang-mangguling.

31.Djěněngan Ratna Suminar, gagah rosa hanteu aja nu wani, pada sumudjud taraluk, sipat bangsa kadjinan, rasa atjeuk moal gagal ieu tangtu, hěnteu geseh tina bedja, adatna wani tur běngis.

32.Tina sabab eta urang, kudu pisan lampah teh ati², bisi matak djadi běndu, lantaran geus kawěntar, ieu Putri lamun ka nu teu panudju, taja hampura timbangan, nu salah tuluj dipeuntjit.

33.Malah² bedjan mah, aja guha kagungan ieu Putri, ngaranna si Bungbungümur, bandjar karang panjiksan, ĕnja eta paranti njiksa nu luput, nu teu nurut ka andjeunna, kitu bedja anu sidik.

34.Atjeuk mah paur katjida, sieun njorang lampah ĕngke di ahir, laku anu teu kapanduk, tangtos moal ngampura, Nji Manetji ngawangsul nja kudu tuhu, mintonkeun lampah satia, pěrtiti anu migusti. [ 230 ]1.Gantjangna ieu tjarita, tunda heula para Putri, di těgal si Awat² katjatur Sang Raraspedi, nu rek ngarugrug djurit, djeung kabeh wadya soldadu, teu atjan keneh djěngkar, margi ngantosan Sang Putri, ěnja eta Sang Adjěng Ratna Suminar.

2.Masih keneh masanggrahan, dietang sataun leuwih, dina těgal Langlangsona, harita Sang Raraspedi, di panggung nudju linggih, sarěngan raka Sang Guru, Raden Mas Gěndarata, teu lami Sang Raraspedi, njaur alon tina bawaning kewědan.

3.Ajeuna kang rai susah, anu hanteu aja tanding, mikir ieu kalakuan, kumaha sangkan ngadjadi, kana geusan lastari, laku lulus nu rahaju, laksana pamaksadan, beutining paměrih ati, nu ditěda těrbuka djalan laksana.

4.Tapi mun kaja kieu mah, měnggah emutan kang rai, těbih kana enggal², ngadjadi anu dipambrih, asup basa kiwari, madju mundur moal udjur, kadangkala tumiba, kairid ku lain-lain, djadi sipat manusa pangeusi alas.

5.Kawuwuh nu diantosan, Putri djin pusering bumi, lěběng něpi ka ajeuna, ka dieu teu datang deui, sakieu ěnggeus lami, diitung djědjeg sataun, lamun kaja kieu mah, kawasna tumuluj balik, djeung piraku tatjan laksana maksudna.

6.Djadi rai tambah susah, ari arek balik deui, wangsul ka nagri Banuja, tangtos Putiasukmadji, běnduna leuwih², pinasti ngahukum gantung, ari kang rai kebat, asup ka Riskomar nagri, taja pikeun maksud anu saěnjana.

7.Ku margi eta kumaha, pětana sangkan lastari, kaluar ti sakieuna, marga kang rai sajakti, waktu ieu teh pikir, kalawan anu satuhu, hanteu ngalalangkungan, siang-wěngi nu dipuhit, mung ngambangkeun kana sugri hodjah kakang.

8.Ngawangsulan Gěndarata, ka Sang Ratu Raraspedi, abdi Dalěm panuhunan, rebu-rebuning pamugi, teu sae lěbět galih, tjumeungtjeum, sipat kaewuh, pědjah kasatiaan, sisip ku djalan prihatin, ngabubarkeun babaran dikasabaran.

9.Pamugi gumantěng manah, nunuhun ka Maha Sutji, enggal těrbuka laksana, sugri anu dipigalih, kalajan abdi Gusti, ajeuna bade piun[ 231 ]djuk, Adjěng Ratna Suminar, dina dintěn ieu sumping, pasosontěn kintěn-kintěn tabuh lima.

10.Samalah-amalah kantěnan, sarěng Sang Dewi Pramanik, Rěsi sipat Kadewian, diiring ku dua istri, urang Sagara keusik, bangsa siluman saestu, ku margi eta kědah, pangěrsa Gusti sajagi, pahormatan ka Adjěng Ratna Suminar.

11.Sarěng bilih teu uninga, Gusti ka Dewi Pramanik, garwa Sang Purnama Alam, nu baris kana ngadjait, tina geusan prihatin, nimbulkeun nu asal-usul, ngabasmi sipat murka, Gusti teh pamugi-mugi, kědah kěkěl něda pěrtulunganana.

12.Margi Sang Pramanik eta, njangking sěndjata sadjati, pědaran bangsa karamat, titisan ti para Wali, malah Sang Ratu Putri, parantos tumut gumuru, sipat kasampurnaan, ka Sang Dewi Paramanik, tigin ngankěn paguron dunja-aherat.

13.Sakitu anu gagahna, bisa ngambah ing wiati, Sang Adjěng Ratna Suminar, dumugi ka ngintil², manahna hěnteu wani, laku nu djudjur murudul, malah-malah ajeuna, djĕngkarna teh para Putri, angkat njatjat djadjahan ngadampal lěmah.

14.Kapaksa tědak manusa, katarik ku Sang Pramanik, dupi pisumpingeunana, ti beulah kidul pinasti, ájeuna moal lami, sarumping ka Sulungtubu, milahir Sang Sri Nata, dibarung gumira galih, atuh mangga urang papag ku sadaja.

15.Teu lami Ratu Banuja, sareng Patih para mantri, lalungsur ti pasanggrahan, bade mapag para Putri, gantjangna nu digurit, geus sumping Sri Maha Ratu, ka těpis-wiring těgal, liren sami hempak tjalik, sahandapeun kakajon pangeusi alas.

16.Ngantosan nu rek dipapag, tjaralik bari dipirig, ku lělěson korontjongan, baris ngahormat nu sumping, Sang Dewi djeung Sang Putri, gantjangna anu ditjatur, teu geseh ti panorah, tabuh lima memeh magrib, Sang Pramanik djeung Adjěng Ratna Suminar.

17.Sumping nudju ka nu mapag, iběrna tjahja duměling, gumilang bati guměbjar, lir tjahja běrlian kuning, serab anu ningali, lajungan saSulungtubu, kotjapkeun anu mapag, barang ret sami ningali, ngararaděg hormatan ku bangsa doa.

18.Nganuhunkeun kana sihna, pitulung Rabul 'alamin, tiasa deui patěpang, sareng Sang Ratu Putri djin, anu tadi maparin, djimat ali anu mandjur, ngaran si Padaringan, njěgěrkeun wadya pěrdjurit, salawasna teu kirang ku papanganan.

19.Para ponggawa Banuja, pramantri tjarik ngabei, hempak djongkok [ 232 ]sadajana, serab isin ku praputri, Sang Adjěng Sang Pramanik, gantjangna parantos těpung, sarěng Ratu Banuja, Ratna Suminar teu lami, tandang dangah njaur ka Ratu Banuja.

20.Lah paman Ratu Banuja, kuring nuhun laksa kěti, dikadar deui patěpang, tanda jen sami walagri, hanteu njorang balai, Ratu Banuja ngawangsul, bari ongko-ongkoan, djeung gumuju sěmu isin, sawangsulna paman kitu pamaksadan.

21.Ajeuna sumangga enggal, di dieu tong lami-lami, Sang Adjěng ka pasanggrahan, njumanggakeun Ratu Putri, gantjangna hanteu lami, ti dinja djěngkar ka panggung, Pramanik Adjěng Ratna, reudjeung Manetja-Manetji, nu ti pajun diiring ku sadajana.

22.Katjaturkeun geus sumpingna, di panggung sami lalinggih, Pramanik Ratna Suminar, sami linggih dina korsi, Sang Ratu Raraspedi, nu majunan rada djauh, djeung Raden Gěndarata, katilu Aria Patih, para mantri hempak ngaberes di handap.

23.Dewi Pramanik lěnggahna, ngarendeng sarěng Sang Putri, ari sapungkureunana, Manetja reudjeung Manetji, sarta Dewi Pramanik, nambahan tümurun wahju, sipat bangsa maunat, titisan para Batari, bati mubjar ku tjahaja pangabaran.

24.Sadajana anu ningal, bopati patih pramantri, tumungkul teu wěrat tanggah, serab ku Dewi Pramanik, djaba ti matak isin, gěder sieunna kalangkung, leuwih ku Adjěng Ratna, pangabaran Sang Pramanik, wantu ngagěm sendjata para Dewata.

25.Sri Maha Ratu Banuja, ngandika ka Ratu Putri, paman sakalangkung heran, margi Sang Adjěng ku lami, dugi sataun leuwih, kumaha margina kitu, naon marga pamběngan, paman njuhunkeun pawarti, hanteu lami ngawangsul Ratna Suminar.

26.Oh paman kuring margina, pang ělat ku sabab leuwih, banggana nu dipimaksad, těpung gělang kolong langit, ti beurang djeung ti peuting, lumaku teu mundur napsu, lamun lain ku lampah, djalan ngambahing wiati, kadangkala tudjuh taun mo kapěndak.

27.Tiněmu soteh ku asal, tigin paměrih nja ati, tekad mitjeun raga njawa, sumeuseuh njipuh djasmani, ngalap elmu ka rěsi, geusan panungtun rahaju, mudjidjat kanabian, sipat agama nu sutji, anu djadi lantaran tiasa těpang.

28.Djeung paman bisi teu těrang, anu didjugdjug ku kuring, lantaran maksud něpangan, nja ieu anu sajakti, Sang Dewi Paramanik, Rěsi ti gunung Binarum, malah² ajeuna, diri kuring geus ngadjadi, pangkat tjatrik santri nu pangkadeuheusna. [ 233 ]29.Malah geus dianggap badal, purah njiar pikeun santri, djeung saha nu teu pěrtjaja, ka Rěsi Dewi Pramanik, tangtu pisan ku kuring, diadjak urang bersmabung, njoba² kabisa, tukeur-patukeur nja pikir, naon bae teu pilih djin djeung manusa.

30.Sumawonna lamun aja, anu taja tata-titi, taladjak nu kurang adab, ka Rěsi Dewi Pramanik, kawas-kawasna kuring, ka djalma sarupa kitu, pinasti moal aja, sir ati geusaning adil, djol disamběr sina paregat njawana.

31.Nja kitu deui ajeuna, sugri anu pada hadlir, dina ieu pasanggrahan, pamenta kuring pribadi, kudu pada babakti, ku tekad anu satuhu, djalan kasatiaan, ka ieu Rěsi Pramanik, pendekna mah kudu ngambangkeun kěrsana.

32.Saha² anu baha, teu nurut ka omong kuring, tanda aja tjita-tjita, pikir kana njangking wani, ngadjalankeun toh pati, ka diri kuring nu estu, ngaran Ratna Suminar, putri djin pusering bumi, anu purah ngadjadjah neangan lawan.

33.Ngawalon Ratu Banuja, oh Adjěng tong kitu lahir, margi měnggah sadajana, nanggěl moal gaduh pikir, kana hěnteu gumusti, tangtos sami² tumut, sanadjan paman pisan, taja pěta gindi pikir, bade maksad satia tumut pangěrsa.

Midjil

1.Hanteu lami Sang Dewi Pramanik, ladjěng njaur alon, ka kěrěsa Sang Ratu Pinutren, měnggah atjeuk anu sajakti, ka aji rek wakil, sagala pamaksud.

2.Pikeun saur ka para bopati, nu anjar tiněmon, margi tatjan ngalěmah nja hate, bilih atjeuk kirang pěrjogi, wantu urang sisi, luput tindak-tanduk.

3.Tina margi ku sanes paragi, ngaběnkeun tjarios, sinarěngan bangsa pragěgěden, ngawangsulan Sang Ratu Putri, ka Dewi Pramanik, dibarung gumuju.

4.Měnggah diri rai … sajakti, ku atjeuk dianggo, wakil njanggěm ka para dipaten, estu sanggěm hěnteu sumingki, sugrining panglahir, mung sumědja tumut.

5.Hanteu lami těras deui Putri, ka Ratu njarios, kieu paman nu matak kuring teh, datang sareng Rěsi Pramanik, maksad rek badami, djeung paman saestu. [ 234 ]6. Asal paman pang indit ti nagri, Banuja karaton, tugur tundan ngadjalankeun gawe, ngawakilan rasěksa djurig, Putia Sukmadji, rek ngarurug němpuh.

7. Arek nangkěp Sang Pramajon Adji, dibunuh dibojong, estu anu taja salahna teh, ahir² arek dibasmi, nagrina dilindih, sina luděs tumpur.

8. Rasa kuring ajeuna mah měnding, malik nja ngorojok, Sanag Putia urang basmi bae, pikir kuring sanggup teh teuing, djadi senapati, kana nulung němpuh.

9. Paman ulah aja gimir risi, ku Putia Katong, duměh aja bedja gagah sakten, kuring udjub rasa mustahil, hanteu bisa djadi, beuheungna katiruk.

10. Tapi lamun paman kěbat pikir, rek těrus ngorojok, ka Sri Maha Ratu Pramajon teh, diri paman ěngke balai, pinanggih djeung pati, sabab kuring tangtu.

11. Kana nulung djadi senapati, ngaping Sang Pramajon, tangtu paman anu katiruk teh, tilas patjing ku pědang kuring, dina medan djurit, baladna ditěmpuh.

12. Sang Banuja ngandika ka Putri, paman nu sajaktos, nadjan taja saur Adjěng Putren, njaram ulah rek těras indit, ka Riskomar nagri, ngorojok ngarurug.

13. Paman oge hěnteu aja pikir, ka Ratu Pramajon, gana-gana gawe kumawanen, ngadjalankeun ngarurug djurit, emutan mustahil, tjampělak ka sěpuh.

14. Kieu soteh emutan manawi, aja sih Jang Manon, nitis tulis geusaning katete, kana djalan pinanggih djadi, walagri prawargi, mulus para sěpuh.

15. Kitu deui Sang Putri milahir, bade wělas abot, ngěrěsakeun nulung ka paman teh, bade nangkěp Maha Narpati, Putia Sukmadji, paman katur nuhun.

16. Margi eta anu dipitigin, di djěro pangraos, anu mawi dugi sakieu ge, dibelaan tilar nagari, jaktosna milari, těrbuka rahaju.

17. Djalan geusan pinanggih lastari, lesot ti prihatos, jasa njait prasěpuh sakabeh, sareng wargi anu balai, leungit tanpa lěbih, musna hěnteu těmbus.

18. Sang Putri djin pok ngalahir deui, ka Sri Mahakatong, rasa kuring hěnteu kědah bae, ditěraskeun eta panglahir, kuring ge geus ngarti, kana asal-usul.

19. Engke oge di ahir kapanggih, nu sae nu awon, ajeuna mah urang [ 235 ]mikir bae, akal malar tereh nja hasil, sugri nu dipambrih, salamět rahaju.

20. Něda² pitulungna sihing, Pangeran Jang Manon, sapanědja urang teh teu geseh, bisa numpěs si djuru djulig, urang malěs pati, sing něpi ka tumpur.

21. Gantjangna teh ieu nu digurit, sabada tjarios, Radja Putri ngalirik ngareret, langkung kaget salěbět galih, wirehing ningali, aja anu ngangluh

22. Enja eta Gendarata Rěsi, murubut tjipanon, nangis tungkul pajuneun Pinutren, kawas měndak geusan kasedih, teu lami Sang Putri, imut bari njaur.

23. Tjoba paman arek nanja kuring, ku tatjan ngahartos, kana asal paman pang nangis teh, tina sabab mohal teh teuing, hěnteu aja awit, nangis teu pupuguh.

24. Nu kapikir ku kuring pinasti, aja pasal abot, nu tumantjěb di manah paman teh, kasědihan dumugi djadi, sěpi galih tigin, tjul katěguh kalbu.*

25. Leungit titi babaran raspati, lir lain paněmon, anu ngagěm pangkatha kadjaten, sisip galih ku djalan sědih, margi eta mugi, ku paman pisaur.

26. Anu djadi pang ririwit galih, nunggarakeun raos, da mustahil taja margina teh, anu djadi těrěsna leuwih, Gěnda henteu lami, ka Putri ngawangsul.

27. Měnggah diri pun paman nu mawi, teu tahan tjipanon, tina langkung raos poek hate, nampi sihing Jang Maha Sutji, ngajugakeun diri, pun paman nu estu.

28. Rupi² anu geus katampi, sinareng karaos, suka-duka katete sakabeh, ti sabarang pun paman hurip, hanteu aja deui, ngan rugi djeung untung.

29. Suka untung ajeuna katampi, gumira pangraos, di pajuneun sadaja gěgěden, hanteu aja hinggana ati, dumugi ngadjadi, kana basa sěpuh.

30. Lenggang padang taja aling², raraosan plungplong, tina margi parantos tumetes, njorang kadar bagdjaning diri, těpang djeung praputri, anu sami luhung.

31. Anu bakal ngadjait prihatin, tawis wělas abot, dupi anu ngadjadi duka teh, tina margi ngemutkeun awit, pang nandang balahi, djadi djuru ngungun.

32. Sarat harkat leungit tanpa lebih, ngadjadikeun helok, hanteu lami Sang Ratu Pinutren, měgat saur Sang Gěnda Rěsi, djeung bari lumirik, dibarung gumuju. [ 236 ]

Asmarandana

1. Eh paman kuring geus ngarti, raratan salira paman, pang nangis mědal tjipanon, lantaran rasa kagugat, pasal asal-usulna, kaleungitan puhu tugu, pisah djeung bibit ngajuga.

2. Paman nindih kana djangdji, pukah djeung manah panjěgah, djadi seeh pangkat saleh, da kapikat ku tibělat, tapi nja dikumaha, da bubuhan usum hirup, dina alam pawěnangan.

3. Kitu deui tekad kuring, ajeuna rasa kapalang, upama hanteu tuluj teh, maksa tumaros ka paman, asal marga těrěsna, ulah disumput-salindung, dihalangan dikilungan.

4. Supaĵa nu sami hadir, ngadangu djadi uninga, lalakon paman pribados, anu ngadjadi sababna, pang paman manah duka, kakětiran dina kalbu, tinangtu aja raratan.

5. Lamun hanteu dipiwarti, pěrtanda paman nandangan, ngandung kaserongan hate, sěpi kasětyaanana, djalan kapěrtjajaan, ka nu tuhu maksud nulung, nja eta kuring sipatna.

6. Mangga ajeuna sing titih, ulah aja nu kaliwat, supaja tetes ngahartos, nu ngadangu sadajana, lalakon diri paman, Gěndarata seug ngawangsul, ka Putri Ratna Suminar.

7. Pěrkawis Sang Adjěng Putri, mariksa awit pun paman, dumeh nandang duka hate, nja dumugi kaluasan, ilang nja kaisinan, tjeurik pajuneun praratu, kalintang ku kakětiran.

8. Měnggah pun paman sajakti, hěnteu pisan bade baha, ngundjukkeun diri pribados, sugri anu kapilampah, malah² emutan, djangdji subaja geus tjunduk, mangsana waktos ajeuna.

9. Bětus tjatur nungtik awit, muka laku anu murka, sumangga dangukeun bae, ku sadaja anu lenggah, bade muka rasiah, mung rebu² panuhun, ulah kanggo gětap manah.

10. Kapungkur Sang Sri Narpati, Parabu Putia Sukma, nagri Ambarak karaton, sarěng nu djadi Patihna, saderek prameswara, putra Arja Patih marhum, Papatih keneh Ambarak.

11. Arja Gěndasoringtoni, djěněngan Patih Ambarak, dupi eta Sang Narpatos, Sang Putia Sukma tea, kagungan tilu putra, tjikalna anu saestu, nami Raden Gěndarata.

12. Dikukut ku Arja Patih, digunggung diěnod pisan, kawuwuh [ 237 ]wadjib ka alo, dupi putra nu kadua, ngaran Dewi Kania, juswa opat bělas taun, hanteu atjan tjarogean.

13.Nu katilu deui istri, kabeh saibu-sarama, dupi djěněnganana teh, Dewi Pramanik katělah, kintěn² juswana, harita anu kaemut, satěngah taun mo kirang.

14.Dirorok ku hidji mantri, kadeuheus djuru paměngkang, purah beberes karaton, leuwih² diasihna, Mantri ku Sang Srinata, lantaran boga paněmu, kataekan ku adjian.

15.Ngadji elmu kaom Nabi, malah djadi panarosan, palak panorahan hate, wastana anu katělah, Mantri Muhamad Kurbah, saderek ibuna Ratu, sami těrahing Ambarak.

16.Dupi eta Prameswari, Siti Binarum nu kongas, ngagěm tawis songsong djěne, waktos harita pun paman, diangkěn ku sadaja, Sang Sunu gadangan Ratu, nu baris mangkon Ambarak.

17.Harita djěng rama Gusti, nimbalan ka diri paman, kudu ngalap elmu hade, pasal haliah agama, ka bangsa prapandita, nja harita paman těrus, masantren ka Ragatoja.

18.Pandita Komartohidi, dikintěn-kintěn lamina, ngadji elmu di pasantren, tilu taun moal kirang, teu lami těras mulang, sarta idinna Sang Guru, pandita di Ragatoja.

19.Paman těras bae balik, ti pasantren Ragatoja, sarěng sadaja pragandek, mung paman duka kumaha, hanteu těrang di djalan, tilu taun kapidangdung, bět sasab kalunta-lunta.

20.Paman těras mudjasmedi, dina satěngahing djalan, něda těrbukaning hate, ka Gusti Anu Kawasa, nu murah ka mahlukna, nja harita turun wahju, suara tan katingalan.

21.Panglahir anu kakuping, pokna aeh Gěndarata, udjang waktu ajeuna teh, poma kudu sing wajahna, kěkělan kasabaran, ulah gugup ngandung bingung, ingětkeun bagdjaning awak.

22.Papasten Gusti Jang Widi, Allah anu murbeng alam, jen udjang njorang prihatos, moal pinanggih djeung bapa, tatjan puguh lilana, sabab ama udjang estu, geus teu aja di nagara.

23.Tuang ibu oge leungit, djeung saderek anu dua, malah saeusi karaton, koki djongos para ěmban, sakabeh oge musna, Aria Patih nja kitu, geus teu aja di nagara.

24.Tapi mun udjang ka nagri, tangtu moal salin tingal, ka ibu djeung ka rama teh, sarěng ka Aria Patya, sabab nu ngagantina, sapasang dugi saliru, rupina djeung kakasihna.

25.Pang udjang ajeuna lali, kapidangdung luluntaan, djalan leuweung [ 238 ]sima ganggong, nguriling di luar kota, lantaran katibaan, wisajana djuru těnung, sipat duruwiksa murka.

26. Ajeuna di djěro puri, lain ibu-rama udjang, estu bangsa djurig tulen, samalah-malah patihna, bangsa keneh rasěksa, lain Gěndasoring istu, setan njalin-njalin rupa.

27. Ngan ajeuna udjang misti, ati tigin kana sabar, ulah rek aja wawanen, něpungan ka eta Radja, bisina ngabinasa, sabab udjang teh tinangtu, mun ngalawan moal kuat.

28. Ajeuna mah udjang misti, ngababakan luar kota, masing tětěp bumen², itung-itung minangkana, udjang nungguan uga, nu bakal djalan rahaju, ngarawat karaton asal.

29. Ngan udjang kudu ngahidji, djeung Ratu nagri Banuja, Maha Raraspedi Katong, bantu sagala sagala kersana, hampang beurat lakonan, sabab tinngtu tiněmu, těrbuka kana waluja.

30. Tjirikeun engke di ahir, mun ieu Ratu geus aja, maksudna kana ngabojong, ka Ratu nagri Riskomar, eta kana mangsana, ieu Ratu teh tiněmu, apěs kadjajaanana.

31. Sakitu eta pawarti, anu kakuping ku paman, nu nampi rungu pangraos, nja harita paman těras, nurut saungěl sora, bubuara buru², mabakan di luar kota.

32. Nja paman kana dumugi, kumawula ka Sri Maha, Ratu rat Banuja Katong, naon² pangěrsana, ditumutkeun ku paman, lamina anu kaemut, ti awit dugi ajeuna.

33. Tudjuh bělas taun leuwih, lěbět sakitu lamina, pun paman teu wěleh², mudjasmedi njipuh raga, něda-něda těrbuka, waluja miwah rahaju, laksana sapangarěpan.

34. Nja dongkap waktu kiwari, patěpang sarěng sadaja, rengrengan para Pinutren, anu sami aja manah, nulung ka nu keur baja, Sang Putri barang ngadangu, lampah Raden Gěndarata.

Dangdanggula

1. Langkung kaget manahna Sang Putri, ngadangukeun saur Gěndarata, djeung teu pětot rurat-reret, dibarung ku gumuju, sumawonna ka Sang Pramanik, Putri Ratna Suminar, sěmu anu wuwuh, nandang kaisinanana, tina sidik Pramanik putra narpati, lain těrahing handap.

2. Hanteu lami Sang Putri ngalahir, ka Sang Dewi duh atjeuk [ 239 ]kumaha, dina salěbět pangraos, wirehing aja kitu, pasal aneh teu aja tanding, dongengna paman Gěnda, pasal asal-usul, Sri Maha Ratu Ambarak, bět sihoreng raka atjeuk nu sajakti, ieu Sang Gěndarata.

3. Sang Pramanik kaget lěbět galih, teu ngandika wungkul tjumalimba, ngadangu Gěndarata teh, tumungkul sěmu měsum, raos ngimpen galih Sang Dewi, bawaning kaheměngan, ku balukar kitu, aneh teu aja hinggana, hanteu lami Sang Dewi ladjěng ngalahir, ka Sang Ratna Suminar.

4. Atjeuk němbe saumur nja hurip, ngaraosan marga kaheměngan, dumugi ka poek hate, linglung rasa ngalindur, tina biěu nguping pawarti, kang raka Gendarata, tina asal-usul, andjeunna leungiteun rama, Sang Sri Maha Ratu Ambarak nagari, kasilih ku rasěksa.

5. Turug-turug putra anu istri, kakasihna djeung atjeuk sarua, bět Pramanik saurna teh, turug² nu ngukut njabit-njabit kana kakasih, ama di Gurangsarak, djadi atjeuk bingung, aringgis sadaja njangka, jen atjeuk teh ngaran Pramanik nu leungit, putra Sang Sri Ambarak.

6. Bilih aja nu nětěpkeun galih, sangka² eta ulah waka, raos měntrong ka nu djongok, bilih bae saliru, da atjeuk mah Pramanik deui, lain Pramanik musna, wawangen kadatun, ari atjeuk mah tetela, bibit buit anak rěsi guru ngadji, pasantren Gurangsarak.

7. Ngawangsulan Sang Ratu Putri djin, nadjan rai hěnteu pisan², tětěp sangka dina hate, ka atjeuk anu estu, njangka putra Maha Narpati, Ratu nagri Ambarak, amung rai tuhu, sangka hěnteu asa-asa, ama Rěsi Gurangsarak mo sak deui, awit Mantri Ambarak.

8. Nadjan aja nu ngalain-lain, měnggah rai wantun tataruhan, mun sanes Mantri karaton, Dewi Pramanik imut, bari njaur ka Ratu Putri, mangga urang taruhan, lamun atjeuk luput, lěpat sangka kurang njata, tangtos atjeuk njerenkeun dunungan Ginggi, nu aja dina Guha.

9. Ratu Putri gumuju ngalahir, aduh² lintang hawatosna, bět bade didaměl retjeh, Dewi Pramanik njaur, ih atjeuk mah teu aja deui, sipatna pangaboga, ngan salaki estu, dibelaan pudji-pudja, mangnědakeun salaki mugi walagri, lambat nja salamětna.

10. Kitu deui atjeuk tatjan tigin, katětěpan rasa nu rumasa, Pramanik těrah narpatos, nu ilang ti kadatun, tina margi teu aja saksi, netelakeun nu ěnja, pang njahona husu, jen atjeuk těrah Ambarak, mung kadjabi upami ěngke diwarti, ku ama Gurangsarak.

11. Mung ajeuna urang sami tigin, něda-neda ka Anu Kawasa, dikadarkeun tereh-tereh, hasil anu dimaksud, nulung sugri anu prihatin, nandang kawisajaan, urang itung-itung, ibadah karana Allah, da wa[ 240 ]djibna mungguh njěkěl kaom Nabi, kědah sili tulungan.

12. Ajeuna mah měnggah aji mugi, tětěs ngatur pasal rěrěmpagan, baris ngorojok ngabojong, nu djadi djuru těnung, hajang geura atjeuk teh bukti, siga naon rupana, sipat mahluk hasud, teu lami Ratna Suminar, njumanggakeun ka raka Dewi Pramanik, sarta těras ngandika.

13. Enja eta ka Sang Gěnda Rěsi, kuring leuwih nja nandang kagetna, ku babad paman pribados, hěnteu njana jen kitu, pasal Sang Sri Maha Narpati, Ratu Nagri Ambarak, leungit ti kadatun, kalindih ku duruwiksa, tatapina ati² awal-ahir, putri djin nu malěsna.

14. Kitu deui ajeuna geus sidik, paman Gěnda putra Sang Srinata, Ratu Ambarak sajaktos, atuh kuring teh kudu, tina watěs ajeuna ganti, moal njěbutkeun paman, raos kirang patut, sumědja njěbat teh kakang, tina sabab isin ku atjeuk Pramanik, lantaran tanpa basa.

15. Sarěng kuring panasaran ati, wireh tadi kakang Gěndarata, nampi saur tan katangen, pituduh geusan mulus, dikědahkeun kěrěsa ngiring, ka Sang Ratu Banuja, supaja rahaju, nja dumugi ka ajeuna, ngintil² tumut dibawah pawarti, sarta reudjeung kěkělna.

16. Rasa kuring kawasna pinasti, aja sabab nu djadi lantaran, nu matak dikědahkeun teh, kumawula ka Ratu, semu² sami pinanggih, nandang kaprihatosan, ku leungiteun tugu, ku margi eta ajeuna, kuring malik naros ka paman Narpati, Ratu nagri Banuja.

17. Naon margi nu mawi sagalih, sinarěngan kakang Gěndarata, sami těrěsna prihatos, sarěng pada warantun, kana malik madjěng prang djurit, nangkěp Putia Sukma, rek dibalěs hukum, tinangtu aja lantaran, ngadjalankeun děngki Putiasukmadji, měnggah ka kersa paman.

18. Margi eta ku paman teh mugi, tjarioskeun masing těrus terang, nu djadi awit prihatos, tumilar geusan mangkuk, ulah pisan dipinding-pinding, sadaja nu kapěndak, ti kapungkur-pungkur, teu lami Ratu Banuja, njaur alon sarta měsum lir nu njangking. panggalih kaewuhan.

19. Adjěng Putri mariksakeun awit, asal-usul měnggah diri paman, sae bade ditjarios, jaktos paman nu estu, njangking soteh pangkat Narpati, di nagara Banuja, dipulung minantu, sanes asal tuturunan, paman njěkěl soteh Banuja nagari, kieu saawitna mah.

20. Kangdjěng Gusti Sri Maha Narpati, kakasihna Pěrbu Langlangsona, di Sulungtubu ngaraton, nagri gěde tur mashur, rěsik rame pilihan tanding, sarengan Sang Sri Maha, Ratu Sulungtubu, kagunganeun dua putra, anu tjikal jaktosna paman pribadi, těgěs ti Prameswara.

21. Kakasihna 'djěng ibu Meswari, anu kongas Dewi Sulagela, saderek Ratu Pramajon, harita paman těrus, nja dipulung mantu ku Gusti [ 241 ]Ratu nagri Banuja, dumugi dikabul, sabada wapat mitoha, diri paman ngaganti njěkěl nagari, ngaraton di Banuja,

22. Hanteu lami Kangdjěng Rama Gusti, kagunganeun deui hidji putra, ari wartosna awewe, paman teu atjan maphum, wireh paman anu sajakti, hanteu atjan ngalajad, nudju gawe ribut, lami² aja serat ti 'djěng rama njarioskeun putra leungit, ti djěro pagulingan.

23. Nu kaemut umur dua sasih, diwastaan Nji Ratna Suminar, disalěbět sěratna teh, mung paman marga djauh, teu tiasa rek gasik², kana indit ngalajad, wuwuh rada udur, kintěn parantos sabulan, sasehatna tēras bae paman indit, malah sareng ěmbina.

24. Enja eta mios ka nagari, Sulungtubu ngalajad ka ama, tina katiwasan aneh, mung paman barang tjunduk, ka bawahan Sulung nagari, padesan pangalasan, rajatna gumujur, ear pada tjatjarita, njararěbut kota Sulungtubu leungit, musna tanpa karana.

25. Paman langkung kiamat nja pikir, raga taja tangan pangawasa, raos linglung poek hate, tina ngupingkeun kitu, pasal anu leuwih adjaib, bět kaleungitan kota, dajeuh Sulungtubu, djadi tegalan nětělar, tatapina paman hanteu kanděg pikir, těras bae lumampah.

26. Buru² hajang geura sidik, barang dongkap ka lěbah-lěbahna, laureun lawang saketeng, paman teh lěng teu emut, tina margi katingal sidik, bedja hěnteu sulaja, dajeuh Sulungtubu, leungit ngadjadi tětělar, paman poho ngarumpujuk bari tjeurik, ras ka ibu djeung ama.

27. Sumawonna ěmbina mah leuwih, lolongseran bari djědjěritan, njambat ka ama pagusten, praponggawa nja kitu, hulubalang djeung mantri-mantri, kapala ti Banuja, sami ngungun bingung, maratia ta'ud istigpar, nu sawareh ngan wungkul gogoděg dikir, bawaning ku kagetna.

28. Atuh paman ti dinja teu lami, těrus balik ka nagri Banuja, barang paman geus datang teh, kumpulan di kadatun, ngondang sugri para dipati, nu kaěreh ku paman, maksud rek barěmpug, pasal ku katitiwasan, anu taja bandingna ngagetkeun ati, tina leuwih anehna.

29. Diembarkeun ka para bopati, sakumaha kaajaanana, leungiteun kota karaton, sakur anu ngadangu, sami ngěluk bawaning leuwih, narandang pakagetan, aja pasal kitu, sarta sadaja rengrengan, taja hidji nu njurti nu djadi awit, kaleungitan nagara.

30. Barang eukeur sadaja badami, djěbul datang utusan Ambarak, ti Putia Sukma Katong, utusan bangun rusuh, dangah anu tandangna wani, bari njodorkeun surat, ku paman teh těrus, diwatja sarta basana, paman kudu daek kaěreh katjangking, kabawah ku andjeunna.

31. Mun teu daek paman těh pinasti, dikorojok dibasmi wadyana, [ 242 ]nagri dirěbut dibojong, paman djeung para ratu, sami-sami kagetna galih, maratja eta surat, ngadjak pěrang pupuh, gantjangna těras ku paman, diwalonan ka Sang Putiasukmadji, barěmpag sadajana.

32. Menta tempo sadjěro sasasih, mikir heula djeung rek rěrěmpugan, djeung kabeh para bopatos, paman ngawalon kitu, ka Sang Sri Putiasuk-madji, utusan těrus mulang, ngabantun pangwangsul, ti dinja teh paman těras, rěrěmpugan sareng sadaja bopati, sakur bawahan paman.

33. Waktu eta sakur anu hadlir, sami njěbat warantun ngajonan, ka Putiasukma Katong, ngaděgkeun pěrang pupuh, amung aja hidji bopati, undjukan terus terang, ulah waka rusuh, nangtang sanggup ngaděg pěrang, urang ngutus naroskeun ka hidji rěsi, Pandita Ragatoja.

34. Mun tjeuk Rěsi lawan ulah gimir, sabab bakal unggul pěpěrangan, těgěsna moal kadeseh, tangtu sadaja madju, tatapina lamun tjeuk Rěsi, bakal kana kabandang, těgěsna kasambut, tinangtu sěrah bongkokan, moal kantos kana ngajonan prang djurit, ka Sang Putiasukma.

35. Eta hodjah ku kabeh bopati, karěmpagan kana naros heula, ka Rěsi Ragatoja teh, sarta ku paman terus, didjalankeun ngutus Papatih, tumaros ka pandita, ari nu didjurung, nja ieu Patih Banuja, wasta Raden Pramadia senapati, mios ka Ragatoja.

36. Ari eta Ratu nu měrědih, ngamistikeun tatarosan heula, ka pandita anu kahot, wastana anu mashur, Adipati Purdajapati, nagri Wawadimara, antara praratu, andjeunna nu pangsěpuhna, tuhu tigin salirik teu sepi titih, teu kantun palintangan.

Sinom

1. Sadaja para dipatya, tatjan aja anu mulih, nunggu Arja Pramadia, kumaha torahna Rěsi, teu lami datang Patih, měntas tumaros ti Wiku, ditanja ku sadaja, walonna Aria Patih, hal pěrkawis Pandita taja sanggěmna.

2. Ngan aja kintunanana, tjai ti Komartohidi, wadahna kěndi tambaga, ari pisanggěmna Rěsi, ieu tjai teh misti, leueut ku sadaja ratu, saěrehan Banuja, wastana ieu teh tjai, Madirata pikeun ngaratakeun tingal.

3. Moal kalinglap ku sulap, ku panjamar anu děngki, bangsa sipat para murka, ngan sakitu saur Rěsi, sanggěmna Arja Patih, ti dinja ku paman terus, eta Tjimadirata, dibagikeun ka nu hadlir, ěnja eta para bopati aria. [ 243 ]4.Taja bopati kaliwat, nu hěnteu kabagi tjai, walatra sagělas sewang, sanadjan para papatih, barang geus nginum tjai, paman djeung para tuměnggung, paman datang pikiran, sieun gimir hěnteu wani, dugi rasa sěber djeung pupuringkakan.

5.Sieun ku Putiasukma, aringgis djol rek ngalindih, ngabasmi numpurkeun wadya, ngorojok nu teu djeung adil, sakabeh kitu deui, sabadana ngararinum, maranahna teu beda, djeung hate paman pribadi, kasieunan ku Ratu Putiasukma.

6.Malah ku paman katingal, paroman para bopati, lalěsu leuleus parias, sarta ku paman teu lami, ditanja prabopati, sangup atawa teu sanggup, ngajon ka Sang Ambarak, madju nangtang pěrang djurit, ngawalonan para bopati ka paman.

7.Sami waraktja balaka, njarěbat gimir teu wani, kadjeun dilěpas dionslah, tinimbang djeung madjěng djurit, djeung Putiasukmadji, kitu walon para ratu, ku paman ditěrasan, jen sami pikir teu wani, sami tekad kana rek sěrah bongkokan.

8.Sami sadrah raga njawa, katut nagri djeung pangeusi, ka Ratu Putiasukma, ti dinja paman teu lami, ngadjak ka prabopati, indit sědja bakti sudjud, ka Sang Ratu Ambarak, sanggěm njaosan upěti, saban taun pertanda djadi érehan.

9.Sadaja praratu rěmpag, mios ka Ambarak nagri, seseren djadi ĕrehan, atuh paman teh teu lami, djeung kabeh pradipati, mios bae buru-buru, ka nagara Ambarak, iběrna Aria Patih, mawa surat ka Ratu Putiaksukma.

10.Barang dongkap ka Ambarak, sagala tatalu muni, pahormatan ti Ambarak, ngaguruh asa kaindit, ear surak pradjurit, mariěm pating djalegur, geus datang ka paměngkang, paman djeung kabeh bopati, langkung² dihormat ku Sang Ambarak.

11.Gupjakna Ratu Ambarak, bari njebat nuhun aji, rido tawis sětya manah, mikolot sarta miasih, ka kakang nu sajakti, kěrsa dirawu dipangku, tumut ka maksud kakang, ajeuna pamugi-mugi, aji nadah salamět sarta sabarna.

12.Eta sakitu saurna, Maha Putiasukmadji, teu lami deui tangara, djeung susuguh nu utami, barangna geus tarapati, těrus deui guněm saur, dina waktu harita, paman djeung para bopati, sakur² kapala bawah Banuja.

13.Ningal ka Putiasukma, djeung ka Kumba Aringäring, lir lain, rupa manusa, kajaning badawang badis, pangaděg ngadjungkiring, awakna sagěde lěmbu, godeg ngahimpas dada, sihungan buukna rintit, kati[ 244 ]ngalna ku prarengrengan Banuja.

14. Matana buburilěngan, sagěde pisin tjatjangkir, estu matak gila ningal, bět paingan waktu tadi, memeh gok rasa gimir, da patutna rupa kitu, ajeuna geus teu samar, ku karamatna Sang Rěsi, asal nginum tjai ngaran Madirata.

15. Paman reudjeung sadajana, para bopati papatih, di Ambarak hanteu lila, tina teu tahan ku risi, sapeuting těras amit, ka Ratu sumědja wangsul, gantjang isukna těras, wangsul ti Ambarak nagri, sadjadjalan ear pada njěbut heran.

16. Sakur anu ěnggeus terang, di pangaděg Sang Narpati, lain kitu bareto mah, sampulur kasep duměling, rupi manusa jakin, tapi ajeuna bět kitu, geseh ti rupa djalma, kawas duruwiksa djurig, imbang² teu beda reudjeung badawang.

17. Kitu tjarita sadaja, ka Sang Putiasukmadji, barang dongkap ka Banuja, těras magělaran deui, ari anu diwarti, lantaran ku pasal kitu, sareng sumědja těras, wajahna tombok upěti, djeung tinimbang perang djeung bangsa badawang.

18. Atuh paman salawasna, saban² tilu sasih, dongkap ka nagari Ambarak, kempělan para bopati, nampi sugri panglahir, baris kapěrluan Ratu, gawe ngeujeuk nagara, lobana mah nu dimisti, kudu ngilěng hagri lindiheun andjeunna.

19. Paman di dajeuh Ambarak, patěpang sinarěng wargi, ieu kakang Gěndarata, anu keur nandang prihatin, njangking rasiah děmit, lantaran leungiteun sěpuh, Ratu Putiasukma, ku margi gesehna rupi, ku pangilěng manah anu sadjatina.

20. Tjalikna di luar kota, ieu kakang Gěnda Rěsi, atuh paman nja di dinja, madjik saban gawe misti, kumpulan prabopati, nja dumugi kana waktu, ajeuna dipiwarang, ku Sang Putiasukmadji, ngarurugan nangkěp Sang Ratu Riskomar.

21. Sang Adjěng Ratna Suminar, njělang ka Sang Raraspedi, mariksa kieu saurna, naon anu djadi awit, Putiasukma Adji, nitahan ngarurug němpuh, ka Sang Ratu Riskomar, teu lami Sang Raraspedi, njarioskeun tatag nu djadi asalna.

22. Lantaran Purnama Alam, nampik teu daekeun ngawin, ka putra Putiasukma, nu ngaran Siti Kaswati, ku Ratu Raraspedi, dipisaur teu kaliru, lampah Purnama Alam, dipaling ku Arja Patih, něpi kana disiksa dipangbuian.

23. Nja dumugi kana mangsa, djěngkar ngarurugan djurit, ka Ratu nagri Riskomar, sarta tetes dipilahir, nuturkeun tjahja kuning, sarta něpi [ 245 ]kana tjunduk, ka gunung Sulagela, gĕring Kumbaaringäring, sarta nĕpi kana kaju Langlangsona.

24.Sarta kabur Arja Kumba, disiksa ku Arja Patih, djago nagara Banuja, nĕpi kana waktu sumping, Adjĕng Ratna Putri djin, eta kabeh teu kaliru, taja anu kaliwat, ku Sang Ratu Raraspedi, sadajana nu nguping langkung kagetna.

25.Sri Maha Ratu Banuja, parantos tamat wawarti, Sang Adjĕng Ratna Suminar, gumuju bari ngalahir, babad paman teh leuwih, matak ngadjul kana napsu, sumiak nja pangrasa, mungguh ka kuring pribadi, malah djadi tunggara katĕrĕsnaan.

26.Malah kuring geus mirasa, sisip djadjatening ati, ampir bobor kasabaran, katarik ku gĕmĕs ati, hajang geura tjet meuntjit, ka anu asal milaku, niwaskeun sabuana, kamanusan nu sadjati, mindah-mindah tina sipat nu biasa.

27.Ku kuring kaharti pisan, sarta sangka mo sak deui, nu boga lampah binasa, ngalindih raga djeung nagri, djurig nu njiliwuri, tatapi montong disĕbut, Adjĕng Ratna Suminar, mun teu bisa malĕs pati, ka siluman setan iblis duruwiksa.

28.Djeung pĕrkara babad paman, ĕngke dina awalähir, ku paman teh kĕdah pisan, dongengkeun deui sing apik, mun datang Mantri Ginggi, kuntjen kamar těmpat ratjun, djeung paman patanian, djongok sina ngararuping, sabab eta anu sah kana njaksian.

29.Lantaran lalakon paman, aja těrusna saeutik, djeung tjarita Mantri Guha, kadua pěrkara deui, lĕbah leungit nagari, aja oge anu tĕrus, taja pisan bedana, reudjeung dongeng djuru tani, tangtu ĕngke ditanggap sina tjarita.

30.Ngan ajeuna eta babad, montong dikěbatkeun deui, mĕnggah ku kērēsa paman, lantaran teu aja saksi, ngan kuring arek djangdji, ka paman anu saestu, sĕrĕt waktu ajeuna, njĕbat paman teh diganti, bade njĕbat raka Ratu salamina.

31.Dupi nu djadi margina, pangna panjěbat diganti, lantaran aja sababna, ngan ĕngke baring supagi, parantos aja milik, salamĕt makbul nja maksud, didaměl panadaran, etang2 ngala atji, rek dianggo ngaleunggeuh nja kabingahan.

32.Dewi Pramanik ngandika, emutan atjeuk pribadi, asa hanteu kĕdah hangham, dina salĕbĕting galih, dumeh teu aja saksi, baris umangkĕn satuhu, babaran sapêntjaran, titisan sabibit buit, tina djentre anu djadi katěrangan.

33.Saban2 nu wawarta, lalakon Sang Sri Narpati, Ratu Sulungtubu [ 246 ]tea, kĕdah bae njabit2, ka urang Pusěr-bumi, anu mangku Bungbung- ümur, tapi kumaha kěrsa, sanadjan saumur hurip, hanteu ngangkěn kotjoran ti kamanusan.

34.Ngawangsul Ratna Suminar, rai taja pěta teuing, sarěng wantun nadah sumpah, upami těras djeung ati, hangham ka nu wawarti, putra Ratu Sulungtubu, wasta Ratna Suminar, kantěnan moal sak deui, sakumaha dongeng Mantri Padjarangan.

35.Margi emutan rai mah, kědah didongengkeun deui, di pajuneun sadajana, para bopati narpati, sarěng Djěng Rama Gusti, nagara Bumi pingpitu, Srimaha Saksaria, sarěng sadaja prarěsi, sarěng Ratu Pramajon nagri Riskomar.

36.Supados djadi uninga, aja nu kieu pěrkawis, lalakon lintang anehna, anu teu aja sasami, ngawalon Sang Pramanik, jaktos atjeuk oge rěmpug, sabab ieu pěrkara, sanes pasal alit-alit, ngagendjlongkeun kana kawasa Sri Nata.


**
Asmarandana

1.Pandjang lamunna ditulis, pěrtata waktu harita, pada tjarios lalakon, harita sami tětěpna, linggih di pasanggrahan, para bopati tuměnggung, papatih djeung senapatya.

2.Ari linggihna praputri, di panggung dadakan endah, turug-turug dipapaes, dikěput ku sutra kajas, lajarna sutra bodas, diwiru ku sutra biru, kewěs těmpat kaputrian.

3.Nu nuguran para mantri, gulang2 upatjara, tjarik ngabei kaliwon, di handapeun papanggungan, ngadjaga piwarangan, bilih Putri aja pĕrlu, eta dawuhan ti Radja.

4.Gantjangna anu digurit, waktu harita geus lila, dikira geus tudjuh poe, para Putri di dinjana, Adjĕng Ratna Suminar, tĕras tina panggung lungsur, Manetja anu ngiringna.

5.Kĕrsana Sang Ratu Putri, djĕngkar kana pasanggarahan, tĕmpat Sang Maha Narpatos, magĕlaran rĕrĕmpugan, sarĕng Ratu Banuja, Pramanik kantun di panggung, Manetji nu ngarentjangan.

6.Sang Ratu Putri geus sumping, ka panggung tĕmpat Srinata, dangah nu agĕng wawanen, ubiag nu kasumpingan, Sang Putri tĕras lĕnggah, majun ka para tumĕnggung, Manetja pungkureunana.

7.Hanteu lami Ratu Putri, undjukan ka Sang Srinata, duh kakang [ 247 ]rai pribados, margi dugi ngadeuheusan, bade aja barêmpag, djalan anu dipisaur, kaleungitan pupuhunan.

8.Mĕnggah kadjudi ku abdi, katjipta lĕbĕting rasa, miwah katete ku hate, eta pasal kawas2, moal dumugi musna, mo asup babasan buhun, ilang lir salanggĕng alam.

9.Rai Dalĕm nu sajakti, mĕnggah nalika ajeuna, kalintang parantos ngartos, kalajan moal sulaja, tina emutan sangka, rai Dalĕm anu estu, ka nu gaduh lampah murka.

10.Wani gawe hiri děngki, ngaruksak kamanusaan, tjurang serong lampah merong, njulap ngalindih nagara, pupuhunan sadaja, ku rai Dalĕm katulup, tinangtos sipat rasěksa.

11.Mung sewu-sewu pamugi, raka Dalĕm ulah waka, kaenggalan gěruh raos, hojong kana enggal2, nangkěp si djuru murka, kědah ngantos heula dawuh, raratan kawiludjĕngan.

12.Sarĕng kadua pěrkawis, emutan waktos ajeuna, rai Dalêm nu sajaktos, moal bade ngalangkungan, kana sugrining odjah, ti atjeuk Pramanik estu, Maha Rĕsi Kadewian.

13.Malah panuhun pamugi, raka Dalĕm sinarĕngan, rengrengan para bopatos; kĕdah sami tigin manah, numutkeun sakěrsana, atjeuk Pramanik nu estu, urang těda maunatna.

14.Sanadjan sipatna istri, teu aja pamběnganana, ku paměgět dipiguron, bade djalan kasaean, geusan kasalamĕtan, sipat panĕmu rahaju, nu ngěnjang kawalujaan.

15.Amung kakang Gěnda rĕsi, eta mah kumaha kĕrsa, ka atjeuk Paramanik teh, da puguh ĕnggeus katjipta, babaran sapantjuran, sanadjan kukuh salingkuh, tatjan bĕnĕr umangkěnna.

16.Něrangkeun titis sabibit, lantaran aja margina, atjeuk Dewi Pramanik teh, ngantos pikeun saksi nu sah, tetes kauningana, kana pasal asal-usul, galagat nagri Ambarak.

17.Tatapi mĕnggahing rai, pikir teu sĕmang teu hangham, nětěpkeun kana saderek, ieu kakang Gĕndarata, mĕnggah ka salirana, atjeuk Pramanik nu estu, tigin taja basa sugan.

18.Ngawangsul Sang Gĕnda Rĕsi, pěrkawis Adjĕng wawarta, jen parantos netes ngartos, kana bagbagan pun kakang, raratan kanjataan, ka Dewi Pramanik dulur, ku panorah anu njata.

19.Nadjan kakang lěbět ati, dibarung ku satiasa, adji pamĕlĕngan hate, estu sidik hĕnteu samar, ieu nu disarĕngan, pěrtela pun adi bungsu, Nji Dewi Pramanik tea.

20.Nadjan pisah nudju alit, Pramanik sarĕng pun kakang, kakang [ 248 ]moal samar hate, sanadjan manehanana, mungkir tatjan rumasa, kana tetes ngaku dulur, lantaran taja saksina.

21.Amung nuhun laksa kěti, Pramanik geus nintjak sipat, pangkat raspatining hate, langgěng nandang kapahingan, taja gětap deudeupan, miruruh geusan satuhu, raratan kasareatan.

22.Sawangsulna Nji Pramanik, ngangkěn ajeuna2, ka pun kakang misaderek, bok bilih bae ahirna, mariksakeun ajana, ama sinarěngan ibu, Sri Maha Ratu Ambarak.

23.Tangtos kakang sěsah ati, kumaha něrangkeunana, ajana ama Narpatos, kadangkala aja basa, Pramanik ka pun kakang, taja tawis nu satuhu, bela ka nu djadi sêpah.

24.Sang Putri ngalahir deui, saur kakang kajaktosan, tjuriga nu dianggo teh, malah2 geus kantěnan, kana kitu ahirna, njeukseukan ku saur běndu, atjeuk Pramanik ka kakang.

25.Lantaran anu kadjudi, kakang anu pangsěpuhna, putra Sang Maha Narpatos, amung teu aja tawisna, bela pati ka rama, manahna tinangtu kitu, těrkadang nganaha-naha.

26.Mung ajeuna pikir rai, něda rěmpag ka sadaja, wireh atjeuk Pramanik teh, garwa Sang Purnama Alam, putra Ratu Riskomar, anu rek dipulung mantu, ku Sang Putia ajeuna.

27.Anu tadi dipiwarti, disiksa dipangbuian, dumeh-dumeh hěnteu daek, ditikahkeun ka anakna, sarěng saupamina, sami hěnteu atjan maphum, atjeuk Pramanik awitna.

28.Pang linggih di gunung Masdjid, lantaran kalunta-lunta, bahja ku leungit tjaroge, nja eta Purnama Alam, ti djro bandjar kaputran, tah eta awitna kitu, pang aja dipangalasan,

29.Kadua pěrkawis deui, atjeuk Pramanik těrangna, putra Sang Wiku pasantren, puntjak gunung Gurangsarak, djênêngan Wiku Kurbah, katěrang rai sakitu, atjeuk Pramanik awitna.

30.Gêndarata barang nguping, tjarios Ratna Suminar, jen Dewi Paramanik teh, putra Sang Pandita Kurbah, gumuju djeung ngandika, pun kakang pikir kawuwuh, nandangan kapěrtjantěnan.

31.Ka ieu Dewi Pramanik, sidik putra ama tea, tina margi ditjarios, putrana Pandita Kurbah, atuh ari Kurbah mah, tetela pun aki estu, sěsěpah di padalěman.

32.Sang Putri ngalahir deui, bari gumuju nu bingah, atuh puguh sidikna teh, rai oge hanteu samar, dina waktu ajeuna, amung ajeuna panuhun, kang rai ka sadajana.

33.Ieu atjeuk Paramik djadjapkejn ku sadajana, sanggakeun ka [ 249 ]Sang Narpatos, Ratu nagari Riskomar, nja eta měrtuana, pěrluna urang barêmpug, maksud hal ieu pêrkara.

34.Sarĕng Sang Maha Narpati, Ratu nagari Riskomar, ku sabab rai bareto, waktu tĕpang djeung andjeunna, sami² kaluar, tjatur sanggup sili tulung, sili handjatkeun ti bahja.

35.Malah waktu rai indit, ti djro karaton Riskomar, kěrsana Ratu Pramajon, kang rai teh kĕdah pisan, wangsul ti panjabaan, ngadjugdjug deui ka Ratu, bade barĕmpag nu ĕnja.


**
Dangdanggula

1.Sang Srimaha Ratu Raraspedi, ngadawuhan ka Ratna Suminar, mungguh kakang nu sajaktos, waktu ieu mah maksud, naon-naon kumaha rai, moal ngalangkungan, kakang ngan rek nurut, kana-odjah geusan djalan, anu narik salamět walagri diri, laksana pangarěpan.

2.Saur Putri ka Sang Raraspedi, rebu nuhun kakang kitu manah, měnggah ka rai pribados, tawis satia tuhu, tigin galih njangking kawěning, djêmbar kapěrtjantěnan, ka rai nu estu, mung rai ge manawina, karěmpagan ku kěrsa atjeuk Pramanik, kitu soteh pamaksad.

3.Tangtu pandjang lamunna ditulis, anu sami guněman wawarta, Ratu sarěng Sang Pinutren, Sang Pramanik katjatur, dina panggung sarěng Manetji, taja deui rentjangna, hanteu lami njaur, sarta dibarung ku tata, hanteu dumeh ka nu sipat patut laip, ngemutkeun anak radja.

4.Saur Dewi eh Endang Manetji, kuring arek naros anu ěnja, ulah dipungkal-dipengkol, meungpeung teu aja batur, tina margi Endang teh tadi, waktu němbe patěpang, ka kuring misaur, umur dua taun kira, ana kitu Endang di pasantren lami, sabab něpi ka mangsa.

5.Tudjuh bělas taun umur kuring, waktu těpang djeung Pangeran Putra, djadi lamina Endang teh, aja di ama Wiku, lima bělas taun mo leuwih, di sadjěro harita, Endang moal luput, salami intip-intipan, tangtu aja kukupingan anu sidik, dongeng ibu djeung ama.

6.Saur anu titih rintih děmit, pasal² panglinggih di dinja, Manetji enggal ngawalon, menggah abdi nu estu, salamina di Maha Rěsi, Pandita Gurangsarak, hěnteu nguping saur, njarioskeun pasal asal, lěmah tjai awit ti mana ti měndi, estu teu nguping pisan.

7.Amung aja ku dua pěrkawis, ati abdi nandang kaheranan, těgěsna hěnteu kahartos, ku kěrsa Maha Wiku, tina margi antero rěsi, agěng [ 250 ]marga panjĕgah, kana sipat laku, nu ditjaram ku agama, ngadjurungkeun tĕpung pamĕgĕt djeung istri, nu hanteu atjan nikah.

8.Saur Rěsi Sang Komartohidi, waktos abdi guguru igama, bagbagan elmu kasutjen, teu kenging laku kitu, estu langkung2 dipahing, dawuhan praambia, anu geus didjudul, dina saantero kitab, amung naha dupi kĕrsa Maha Rĕsi, Pandita Gurangsarak.

9.Hanteu aja panjĕgah-panolih, ngadjudjurung ka lĕnggah gamparan, angkat ka karang patamon, ka Sang Pangeran Sunu, malah waktos gamparan nampi, sĕrat ti Sang Pinutra, dumugi ka bĕndu, Maha Rĕsi ka gamparan, tina margi gamparan teu gasik-gasik, angkat ka patamuan.

10.Sarĕng aja saur Maha Rĕsi, njĕbat kieu ka lĕnnggah gamparan, Njai masing hade-hade, ngawula ka Sang Sunu, sakĕrsana ulah dipungkir, nu hina nu teu hina, Njai kudu tumut, karana djangdji subaja, ku pitulung tĕrah Sang Maha Narpati, Ratu nagri Riskomar.

11.Anu jasa ngadjait balahi, ngarawatan ka lĕmah sorangan, nu aja di tangan sedjen, tah eta saur kitu, langkung2 ka ati abdi, ngadjadikeun kaheran, sĕmi aja galur, lantaran ka tiwasan, awit marga gamparan kalindih nagri, pang lĕnggah di padesan.

12.Hanteu lami njaur Sang Pramanik, eta bĕnĕr sapanggalih Endang, tapi kuring masih keneh, tatjan tĕtĕp nu estu, tigin njangking pěrtjaja ati, ka tjaritaan Endang, pěrlampah kapungkur, lantaran taja tandana, jen geus panggih Endang bareto djeung kuring, di gunung Gurangsarak.

13.Tjoba kuring arek menta bukti, tanda tĕrang ka sagala lampah, kuring djeung Pangeran Anom, Nji Manetji ngawangsul, bari seuri ka Sang Pramanik, hal pĕrkawis gamparan, ka sim abdi mundut, bade tawis kanjataan, bilih abdi misanggĕm nu teu sajakti, ngabohong ka gamparan.

14.leu abdi gaduh bade bukti, sĕrat anu ti Pangeran Putra, ka gamparan tea jaktos, ku abdi hĕnteu kantun, dibabantun ka mana-mĕndi, margi kalintang pisan, sĕrat matak lutju, Dewi Pramanik ngandika, tjoba kuring ngilikan bisi pahili, reudjeung alip-alipan.

15.Hanteu lami sĕrat ku Manetji, disanggakeun ka Pramanik tĕras, dumugi sĕrat geus lepet, gantjangna Putri Wiku, njandak sĕrat ti Nji Manetji, sarta tĕrus dibatja, sidik hěnteu palsu, jen sĕrat ti Sang Pinutra, Sang Pramanik ningali ka eta tulis, djeung matja ungěl sêrat.

16.Titis tulis karantjana galih, botjor manah djalan kapalingan, bobor marganing djadjaten, tina nandang kalangkung, ku tarikna sumĕdet galih, emut ka Sang Pinutra, dumugi ka linglung, bawaning ku kahimĕngan, ngarumpujuk bari njĕbut aduh Gusti, Pangeran Djagat Rasa.

17.Ieu abdi nu kantun balahi, nadah bahja nu taja hinggana, miraos [ 251 ]

abot prihatos, abdi rebu panuhun, mugi-mugi agung sih galih, kawĕlas ka nu hina, nu kalampud luput, gamparan pamugi enggal, lĕdjar galih ngalajad ka diri abdi, tawis masih miwělas.
  1. Diri abdi ka mana nja balik, di salĕbĕt ngambah pawĕnangan, lian ti di leuweung ganggong, leuheung upami lampus, nitis tulis niba ka pati, bubaran lara dunja, kitu ge mun husu, kana marga kasutjian, sirna soteh kasĕbat pulih ka djati, pangkat pulang ka asal.
  2. Kuma’ lamun tutulisan abdi, njorang pati lantaran baluas, djadi kasered ku goreng, lampus teu mawa husu, nindih pati hanteu djeung sutji, djadi sakaba-kaba, teu nudju ka wahju, babaran pulang ka sasar, djadi mandjing djalma teu lahir teu batin, teu dunja teu aherat.
  3. Eta kitu sambatna Sang Dewi, bari nangis njuuh kana bantal, salira lĕsu tur lungse, Manetji langkun-langkung, nandang reuwas dugi ngagidir, gado totoroktokan, djeung bari sěsěgruk, sarta ngomong kěndat-kěndat, dumareuda piundjuk ka Putri Rĕsi muntangan sampeanna.
  4. Aduh2 gamparan pamugi, lambat manah marga kaelingan, naha gamparan ngadolos, ngadjudjur sipat linglung, kawas sanes titisan Rěsi, taja galih parantjah, ngaběndung kaliwung, rantjana kasasar manah, dugi sisip galih katarik ku iblis, ngadjak kana sungkawa.
  5. Sang Pramanik teu pisan: ngagalih, ka Manetji anggur tambah-tambah, nangisna teu pisan liren, tungtungna lĕng teu emut, kapiuhan teu usik-usik, lungse leuleus lir kapas, hanteu emut-emut, ngan ukur bae napasan, ku Manetji dipangku teu usik-usik, tjara nu kapidara.
  6. Beuki tambah reuwasna Manetji, sarta bari mapatkeun sagala, parantjah djampe pamake, diusap djeung ditiup, kana raraj Dewi Pramanik, tapi taja nu mĕntal, panumbalna mintul, Manetji ngahulĕng susah, sarta ngomong dina sadjĕroning ati, aduh aing tjilaka.
  7. Tangtu bae Sang Ratu Putri djin, Adjĕng Ratna Suminar nĕrĕka, pangna kieu Sang Dewi teh, walĕs teu emut, dibinasa ku diri aing, sanadjan diundjukan, asal marga kitu, manahna moal pěrtjaja, tangtu keukeuh awit ku binasa aing, Sang Dewi pangkieuna.
  8. Tangtu aing dihukuman pati, moal aja hampura timbangan, mo geseh ti bedja bae, tukang njiksa ngabunuh, ngan kumaha ajeuna aing, piakaleun supaja, salamĕt rahaju, teu njorang kana hukuman, da tjitjing mah aing teh kana pinasti, raga nadahan bahja.
  9. Ngan ka saha aing rek měrědih, menta djampe supajana waras, ieu Dewi Pramanik teh, kaduana tinangtu, lamun ieu Dewi Pramanik, dumugi kana wapat, maksud aing buntu, pamundut Ratu Rundjana, aing pasti mo bisa balik ka nagri, sabab teu beubeunangan. [ 252 ]
  10. Ngan ajeuna Sang Dewi ku aing, ti dieu teh rek dibawa minggat, ditambakeun sugan sae, ka saban wiku2, meungpeung euweuh Sang Ratu Putri, reudjeung atjeuk Manetja, di panggung praratu, Manetji gantjangna tĕras, sanggeus mikir ngabantun kampuh Sang Dewi, ti djĕro kadjuaran.
  11. Tĕrus bae Sang Dewi Pramanik, seug dibuntĕl ku kampuh sal bodas, sanggeusna tĕrus dipangkon, Pramanik hanteu emut, djongdjon lungse teu usik-usik, Manetji hanteu lila, ka luar ti panggung, tjulang-tjileung gagantjangan, sarta bari ngĕmban Sang Dewi Pramanik, bědas wantu kadjinan.
  12. Saĕnggeusna ka luar Manetji, kěbat ngambah kana djumantara, gantjang kaja kilat bae, ari anu dimaksud, arek nĕda tulung Sang Rĕsi, Pandita Ragatoja, pangawatan kidul, njuhunkeun dunga panawa, sarta langkung gantjangna lampah Manetji, hanteu aja lirenna.
  13. Tunda heula lampahna Manetji, katjaturkeun Rĕsi Ragatoja, harita lĕnggah di bale, garwana hĕnteu kantun, djeung putrana istri sahidji, juswana kira-kira, tudjuh bĕlas taun, geus mangkat kabirahian, asup basa keur nitih miradja putri, endah tjarang lajanna.
  14. Santěn lělěb lungguh sarta lênggik, kakasihna Sang Dewi Pursita, tatjan kagungan tjaroge, sanes marga teu paju, mung Pursita keur tigin galih, ngalap pangeusi manah, sipat elmu luhung, bagbagan kasampurnaan, wiwintjikan djalan sadjatining diri, djeung elmu pangawasa.
  15. Adji2 djĕdjĕraning sakti, kagagahan digdjaja pěrkosa, siang-wêngi hanteu pĕtot, tatapa djeung tapakur, mudjasmedi mĕrihing diri, njipuh pangawasana, warisan ti Wiku, atuh Sang Dewi Pursita, pilih tanding sipat pangodjahing istri, pěntjaran Ragatoja.
  16. Tatapina nadjan gagah sakti, luhung elmu djĕmbar pangawasa, teu mashur hanteu kasohor, sabab saumur-umur, tara lunta ka mana-mĕndi, wungkul di Ragatoja, tur njumput di kampung, asup kana paribasa tjara bantjet kuturuban batok badis, kutjat-kĕtjet di dinja.
  17. Waktu eta mando pajun Rěsi, marga nudju nampi panglahiran, saurna Rĕsi eh Ĕnong, poe ajeuna tangtu, kadatangan ku Nji Manetji, djeung kukutan Sang Kurbah, putra Maha Ratu, Parabu Putiasukma, nu ajeuna nudju katindih tjotjobi, Ratu Nagri Ambarak.
  18. Pang dibawa Sang Dewi Pramanik, ku Manetji lantaran teu damang, kaedanan ku tjaroge, tina bawaning tuhu, asal kěkěl ku tigin muhit, sadjatina manutan, ka Sang Radja Sunu, těrahing Ratu Riskomar, kakasihna tjaroge Dewi Pramanik, mashur Purnama Alam.
  19. Asal tina leungit tanpa lebih, ti kaputran hanteu puguh losna, [ 253 ]
lir aja nu maling bae, ku sabab eta ĕnung, poe ieu kudu sajagi, beresan patěmpatan, pikeun linggih tamu, djeung kudu saaja-aja, pikeun njuguh Sang Putri Dewi Pramanik, isin mun teu sadia.

**
Sinom

  1. Kitu deui Njai poma, ka eta Dewi Pramanik, ulah kurang tata basa, nu kasĕbut hurmat tadim, wantu Dewi Pramanik, titisan bangsa nu luhur, tĕrah sipat kusumah, tědaking andanawari, Njai ulah katur tata basa kasar.
  2. Sanggeus nampi piwarangan, Dewi Pursita ti Rĕsi, kawantu istri kĕrsaan, beberes djeung běběrěsih, kamar djeung tĕngah bumi, ngěbut njapu harimumu, reudjeung sakabeh rentjang, ari sanggeusna běrěsih, těras damĕl njanga njangu papasakan.
  3. Gantjangna ieu tjarita, tjaturkeun deui Manetji, masih dina djumantara, djeung mangkon Dewi Pramanik, gantjang leuwih ti angin, wantu lalampahan rusuh, ngadjugdjug Ragatoja, Manetji teu lami něpi, sarta těras ngadeuheus ka Sang Pandita.
  4. Dibantun ka bale latar, tĕpas pajun bumi Rĕsi, Pandita sarĕng garwana, barang ningal ka Manĕtji, gugupna leuwih-leuwih, dugdug-degdeg muka pintu, garwana Sang Pandita, ngamparkeun paramedani, dina kamar pikeun pagulinganana.,
  5. Pandita těras ngandika, ka eta Njai Manetji, pura2 hanteu tĕrang, ka eta Dewi Pramanik, saurna Maha Rĕsi, saha eta nu dibantun, kawas anu nandangan, sasakit nu leuwih-leuwih, ngawangsulan Manetji ka Sang Pandita.
  6. Ngundjukkeun tina asalna, tĕpang djeung Dewi Pramanik, di tĕgal si Awat-awat, nĕpi ka manehna ngiring, ka Sang Dewi Pramanik, kana těgal Sulungtubu, těmpatna Langlangsona, něpi ka meunang balai, kapiuhan Pramanik di papanggungan.
  7. Ku Manetji teu kaliwat, dipiundjuk ka Sang Rĕsi, Pramanik Ratna Suminar, barang ngadangu Sang Rĕsi, tuturan Nji Manetji, kaget sarta tĕrus njaur, ja Allah atuh geuwat, Sang Putri Dewi Pramanik, sina ebog dina katil pangdjuaran.
  8. Dewi Pramanik harita, masih keneh tatjan eling, lungse leuleus taja daja, tjara anu kulĕm badis, Manetji hanteu lami, piundjuk deui ka Wiku, ama pamuga-muga, nĕda agung sihing galih, něda duʻa supados [ 254 ]Sang Dewi waras.

9.Gumuju Rěsi ngandika, ka eta Njai Manetji, djeung sěmu teu nandang reuwas, ah Endang tong susah ati, sabab ieu Sang Dewi, moal kana těras pupus, lantaran katiginan, mětakeun gumati galih, kěkěl těguh migusti ka tjarogean.

10.Ulah gěruh ulah reuwas, ěngke oge eling deui, ajeuna mah tarungguan, ku Pursita djeung Manetji, ulah rek tararěbih, gantjangna Pursita, těrus, ngagendeng nu teu damang, Dewi Pursita ningali, ka Pramanik kana sagala sipatna.

11.Istu moho ningalina, neuteup hanteu euih-euih, rêsêp ningal ku geulisna, rupi Sang Dewi Pramanik, njaur lěběting galih, ja Allah nu maha agung, agung teuing damělna, ngadaměl sipat nu geulis, beunang oge disěbut mustika rupa.

12.Handjakal kabina-bina, aing teu djadi lalaki, meureun bagdja ngabogaan, ngamilik ka Sang Pramanik, nadjan boga salaki, dibelaan lampus umur, kadjeun pědjah nja raga, tinimbang hanteu katjangking, eta kitu panggalih Dewi Pursita.

13.Sang Pandita Ragatoja, těras bae njandak tjai, diwadahan dina gělas, bari ngadunga Sang Rěsi, sanggeusna seug ngalahir, bari maparinkeun lumur, ka Sang Dewi Pursita, ieu landongkeun ku Njai, kepret-kepret kana raraj djeung mastaka.

14.Gantjangna ku Sang Pursita, dilandongkeun ka Sang Dewi, sakumaha tjeuk Pandita, barang dikepretan tjai, kadaring Maha Sutji, Sang Dewi Pramanik emut, ngoredjat sarta gugah, hanteu pětot larak-lirik, dibarungan matja taʻud djeung istigpar.

15.Sanggeus tětěp kaelingna, těras lungsur tina katil, djeung kaget lěběting manah, jampeurkeun ka Nji Manetji, linggih dina alkětip, ka Manetji těrus njaur, ieu aja di mana, bêt sedjen djeung těmpat tadi, naha kuring djadi geseh titingalan.

16.Manetji těras undjukan, ka Sang Dewi Paramanik, něrangkeun pangna di dinja, lantaran andjeunna lali, sartana ku Manetji, ka Pramanik dipiundjuk, jen eta patěmpatan, bumina Sang Maha Rěsi, nu kasěbat Rěsi Ragatoja tea.

17.Dewi Pramanik ngandika, naha atuh rusuh teuing, gura-giru teu djeung tata, běněrna Endang pupulih, ka Nji Adjěng Putri djin, jen kuring arek dibantun, ka dieu rek tatamba, njuhunkeun pitulung Rěsi, lamun kieu pasti djadi kaawonan.

18.Těrkadang Ratna Suminar, bidjil sangka teu djeung lantip, leuheung mun njangka ka Endang, pang euweuh dibawa kuring, siděm [ 255 ]ti Nji Putri djin, minggat asal ĕmbung tjampur, kumaha mun sangkana, pang euweuhna diri kuring, ku djalanan panggawe binasa Endang.

19.Tangtu Endang dibinasa, ditěrapan hukum pati, da tangtu Endang ge tĕrang, adatna Njai Putri djin, malah ajeuna pasti, ributna di Sulungtubu, burbêrna nu neangan, kadangkala murang-maring, Njai Putri ambĕkna ka sarerea.

20.Kuring mah mĕlang katjida, ku dirina Nji Putri djin, aringgis kalunta-lunta, ambĕkna teu djeung pamilih, taja geusan panarik, djudjur kana ngulur napsu, kawuwuh sieun taja, nu baris ngeumbing kaeling, anu bisa djeudjeuhan odjah pituah.

21.Ajeuna mah enggal2, kuring kudu bawa deui, kana têgal Langlangsona, lantaran ajeuna kuring, geus tjageur lir sasari, Endang kudu něda ma'lum, ka Nji Ratna Suminar, ĕngke dibantu ku kuring, pidjawabeun lamun njababkeun ka Endang.

22.Pramanik kitu saurna, bari tjumalimba nangis, emut ka Ratna Suminar, bawaning ku njaah leuwih, tapi barang ningali, Pramanik ka putra Wiku, Njai Dewi Pursita, kaget salĕbĕting galih, sadjongdjongan hanteu pětot neuteup ningal.

23.Lantaran Dewi Pursita, taja gesehna saeutik, sarĕng Sang Ratna Suminar, sapasang lir gambar badis, lir babasan kiwari, salira saru saliru, tjara kalangkang ngatja, malah Sang Pramanik ampir, njĕbat aeh geuning ieu Adjĕng Ratna.

24.Mun taja beda ku tata, sabab ari Sang Putri djin, tandang dangah taja rĕndah, wantu asal pantjaniti, tindak tĕrah narpati, ari Pursita mah wantu, ĕnggeus ngalĕmah lampah, tata-titi těpis wiring, tara pukah djeung lampah nu sipat rěndah.

25.Teu lami tĕras mariksa, Sang Pramanik ka Manetji, eh Endang ieu teh saha, enggal ngawangsul Manetji, ieu putra Sang Rĕsi, djěněnganana nu estu, Adjĕng Dewi Pursita, Dewi Pramanik ngalahir, ka Pursita nuhun dikadar patěpang.

26.Atjeuk teh němbean těrang, siharĕng salira aji, sarĕng rebu kanuhunan, atjeuk dirawat diasih, sartana luntur galih, ka atjeuk kěrĕsa nulung, ngubaran dugi sehat, teu kantos njorang balahi, pědjah raga lantaran kabaluasan.

27.Ngawangsul Dewi Pursita, saur gamparan katampi, miwah lintang djadi bingah, měnggah kana hate abdi, tina margi kagalih, pangdeudeul abdi sakitu, ka salira gamparan, sawangsulna diri abdi, kasumpingan bingah nu tanpi hinggana.

28.Saparantos sasauran, Pursita sarĕng Pramanik, Pandita ngahiap[ 256 ]hiap, miwarang ka tĕngah bumi, linggihna Sang Pramanik, gantjangna anu ditjatur, Dewi Pramanik těras, ngambangkeun panjaur Rĕsi, těras ngalih ka tĕngah bumi ti kamar.

29.Pramanik seug ngadeuheusan, mando pajuneun Sang Rĕsi, isin bubuhan ku sĕpah, Pandita ladjĕng ngalahir, ama teh leuwih-leuwih, marga kagunturan sukur, anu taja hinggana, kasumpingan ku Sang Dewi, rasa munggah kana sagara kabingah.

30.Ari nu djadi margana, pang bungah sumping Sang Dewi, tina mantĕng ati ama, taja nu diantos deui, siang sarĕngan wêngi, mung putra kukutan Wiku, pasantren Gurangsarak, djĕnĕngan Dewi Pramanik, putra Ratu Putiasukma Ambarak.

31.Dupi margi diantosan, wireh ku tjumeungtjeum ati, nu hanteu aja towongna, dina antara samĕnit, tina ama teh awit, nampi wahju nu satuhu, soara tan katingal, basana teh ama misti, kudu wani djadi saksi nu keur samar.

32.Wirehing andjeun keur samar, tina asal ku katindih, dongeng Raden Gěndarata, Putra Srimaha Narpati, Sang Putiasukmadji, nagri Ambarak nu estu, ku margi eta muga, ulah djadi samar galih, tina marga andjeun teh nu saĕnjana.

33.Putri Sri Maha Ambarak, lain putra Maha Rĕsi, pasantren di Gurangsarak, djadi andjeun teh sajakti, saderek nu pituin, estu sarama-saibu, ka Raden Gêndarata, ama wantun djadi saksi, lamun andjeun hamham salĕbĕting manah.

34.Dupi asal-asalna mah, pang malungkar ti nagari, papisah sakulawarga, eta mah pamugi-mugi, ulah waka migalih, kana enggal hojong maphum, lantaran pangkituna, ĕngke ge di ahir pasti, ku Sang Dewi kabuka sarĕng pěrtela.

35.Ajeuna panĕda ama, mĕnggah salira Sang Dĕwi, ulah waka hojong djĕngkar, di dieu bae nja linggih, bari ngantosan pasti, asihing Gusti Jang Agung, Allah anu kawasa, anu sipat rahman-rahim, anu baris masihan kahidajatan.

36.Sang Pramanik ngawangsulan, pěrkawis ama milahir, miwarang ka diri putra, ulah waka mios deui, di dieu kĕdah mukim, mĕnggah putra sĕdja tumut, kana dawuhan ama, tawis miwĕlas miasih, amung putra kalintang gaduh kamĕlang.

37.Pun adi Ratna Suminar, putra Sang Maha Narpati, nagari Tolongtĕlĕngan, bangsa djin pusĕring bumi, Sang Saksaria Adji, kakantun di Sulungtubu, putra kalintang mĕlang, papisah nu leuwih tĕbih, maksad putra sumĕdja diteang heula. [ 257 ]l.Ladjĕng ngandika Sang Rĕsi, Sang Dewi ulah rek hamham, nandang manah mĕlang sěber, ngantunkeun Ratna Suminar, ku sabab ama tĕrang, tědak putri Bungbungümur, senapati ing ngalaga.

2.Ahli meuntjit anu sakti, purah ngawarah nu gagah, adatna leber wawanen, rasa ama balikanan, mun masih sasarĕngan, djeung djuru mawur piwuruk, purah djeudjeuhan tjĕgahan.

3.Tangtos moal tereh hasil, těrbuka nja pangarĕpan, lantaran Sang Adjĕng Putren, tinangtos sagala odjah, kapěgat ku raratan, piwuruk pamantjuh napsu, babaraning kasabaran.

4.Emutan ama pribadi, Sang Adjĕng Ratna Suminar, urang kalĕntjarkeun bae, sina djadjakah manahna, kana ambah-ambahan, ngadjudjur napsuna hurung, supaja tereh těrbuka.

5.Sabab mo aja nu wani, ngalabrak bangsa rasĕksa, lian ti Adjěng Pinutren, anu matak ajeuna mah, Sang Dewi muga-muga, sabar linggih sarta lungguh, di dieu bae ngantosan.

6.Ngawangsul Dewi Pramanik, upami jaktos kitu mah, putra mah ngiringan bae, supados kawiludjěngan, kalajan enggal2, makbul makssud nu satuhu, těrbuka djalan waluja.

7.Gantjangna anu digurit, Sag Dewi Pramanik tĕras, ngambangkeun Pandita bae, ngantosan di Ragatoja, saban wĕngi djeung siang, rerentetan hanteu kantung sarĕng Sang Dewi Pursita.

8.Manahna Dewi Pramanik, ka eta Dewi Pursita, raos hěnteu pisah bae, sarĕng Sang Ratna Suminar, lantaran ku sarupa, sarta harita teh nudju, Pramanik sarĕng Pursita.

9.Katilu Njai Manetji, amĕngan di palataran, pukul opat pasosore, ngadjadjah bundĕran kĕmbang, pantĕs bandjaran karang, kĕmbangna sipat nu harum, ligarna ngawuwuh hegar.

10.Lalinggih barina niis, dina dipan panglangĕnan, djadjaran gambir tongkeng ros, bari guněman wawarta, Pramanik djeung Pursita, tuturan geusan gumuju, sili pědar sapaměndak.

11.Teu lami Dewi Pramanik, papariksa ka Pursita, kumaha aji teh wanoh, ka djĕnĕngan Gěndarata, tina marga andjeunna, waktu sarĕng atjeuk těpung, di tĕtĕlar Langlangsona.

12.Wawarti geus djadi santri, di dieu di kĕrsa ama, ngalap elmuning [ 258 ]pasantren, ngawangsul Dewi Pursita, abdi teh těrang pisan, waktu andjeunna keur nudju, ngaos kitab di pun bapa.

13.Ajeuna parantos lami, teu sumping duka kumaha, sěmi nolas ka pasantren, manawi nu djadi marga, kagungan kalangěnan, Sang Dewi Pramanik imut, barina těras ngandika.

14.Tapi atjeuk mah hawatir, ka salira kakang Gěnda, ku ajana di nagri teh, lieuk deungeun lieuk lian, taja anu miwělas, bubuhan keur nudju kitu, kurang sandang kurang pangan.

15.Sumawonna anu sudi, suka ngarawu ngarawat, geuning ku buktina oge, bět masih keneh ngaduda, hanteu kagungan garwa, Dewi Pursita ngawangsul, bari rada tjumalimba.

16.Abdi ge lintang hawatir, ka Raden Mas Gěndarata, tina marga kapěngkěr teh, ngintun sěrat ka pun bapa, dupi ungělna sěrat, mundut pangduʻa rahaju, handjat tina baja lara.

17.Sarěng ditungtungan deui, andjeunna aja kěrsana, miwělas miasih jaktos, ka diri abdi nu hina, bade midaměl garwa, amung pun bapa ngawangsul, ka Raden Mas Gěndarata.

18.Saurna doa teh teuing, anu teu aja hinggana, ngan ama arek papagon, měnggah waktu ajeuna mah, ulah waka ngamanah, kana ngabeubeurat kalbu, kana kagungan geureuha.

19.Masing djongdjon heula galih, mudjasmedi měrih raga, supados enggal tiněmon, kana sugri pangarěpan, bela ka sěpah2, ajeuna mah masing husu, něněda kana těrbuka.

20.Engke ge lamun geus hasil, moal ka saha milikna, kitu saur pun bapa teh, tah tina waktos harita, Raden Mas Gěndarata, duka tina djalan běndu, pang hěnteu aja sumpingna,

21.Dewi Pramanik ngalahir, kumaha aji nja manah, měnggah ka kakang Gěnda teh, měnggah di waktu ajeuna, naha teu aja manah, ka lalaki sipat kitu, taja sorot taja sarat.

22.Pursita ngawangsul deui, dupi měnggahing abdi mah, emutan waktos ieu teh, sanadjan ti kapěngkěrna, teu aja pisan pěta, ngandung napsu nu kalangsu, nampik ka těrah kusumah.

23.Malah kapungkur ge abdi, parantos njanggakeun sěrat, ka Raden Gěndarata teh, nguningakeun patekadan, maksad bade ngantosan, kalajan anu satuhu, kana paněda laksana.

24.Malah margi diri abdi, dibelaan hanteu kěndat, puasa njěnen-kemis teh, ku margi maksad njarěngan, Raden Mas Gěndarata, supados andjeunna makbul, kaluar tina sungkawa.

25.Pramanik ngalahir deui, ih atuh ari kitu mah, aji teh masih bebene. [ 259 ]langganan tjeungtjeuman manah, ka Raden Gĕndarata, Dewi Pursita ngawangsul, manawi diparĕng Allah.

26.Pandjang lamunna ditulis, Pramanik di Ragatoja, sartana teu towong-towong, tatapa njipuh salira, něda ka Nu Kawasa, panĕda gantjang tinĕmu, kalawan kawalujaan.

27.Tunda heula Sang Pramanik, kotjap Sang Ratna Suminar, nu masih gunĕman wartos, sarĕng sadaja dipatya, di djěro pasanggrahan, Ratna Suminar seug njaur, ka Ratu nagri Banuja.

28.Kang rai ajeuna nampi, kana mupakat sadaja, tapi rai ajeuna teh, sumĕdja barĕmpag heula, kalajan pangěrsana, atjeuk Pramanik nu estu, bilih hanteu karĕmpagan.

29.Sang Putri sanggeus ngalahir, těras mulih djeung Manetja, ti panggung para bupatos, angkat alon ngagandeuang, ka panggung kaputrian, para bopati tuměnggung, sami djadjap sadajana.

30.Sanggeus sumping Sang Putri djin, kana panggung kaputrian, raos-raos manah bae, sartana tumĕras lĕnggah, tina marga sangkana, Dewi Pramanik geus ngantuk, kulĕm di djro pagulingan.

31.Hanteu lami Ratu Putri, těras lĕbĕt lalaunan, ku margi wiwahana teh, risi baribin ka raka, sanggeus ka padjuaran, těras mukakeun kulambu, kĕrsana ebog njarěngan.

32.Ningali ka djĕro katil, sidik teu aja eusina, ngan aja bantalna bae, djeung kampuh anu teu aja, Adjĕng Ratna Suminar, njaur salĕbĕting kalbu, naha atjeuk teh ka mana.

33.Ningal ka ĕnggon Manetji, nja kitu deui teu aja, Sang Putri těras njarios, ka eta Njai Manetja, tapi hĕnteu djeung reuwas, tina disangkana lungsur, Pramanik angkat ka djamban.

34.Saurna Sang Adjĕng Putri, atjeuk Pramanik ka mana, tjoba susulan ku maneh, bisina angkat ka djamban, taja anu ngiringna, ngan reudjeung Manetji wungkul, Manetja tĕras njusulan,

35.Lungak-longok wantu peuting, Manetja di tĕmpat siram, malah disaksrak sakabeh, těmpat-těmpat pasanggrahan, ku eta Nji Manetja, tatapi di kabeh sawung, Manetja kantun bingungna. [ 260 ]1.Nji Manetja ngadeuheus ka Putri, bari langkung rumenghap ku reuwas, piundjuk ka Sang Pinutren, ngundjukkeun raka suwung, dipilari hanteu kapanggih, Sang Putri sakalintang, barangna ngadangu, jen Sang Dewi teu kapěndak, leuleus lungse salirana Ratu Putri, tina nandangan reuwas.

2.Bari njaur ja Allah balai, palangsiang teu puguh djěngkarna, ngalolos ka leuweung ganggong, lantaran kapidangdung, tatapina rasa mustahil, djuru di pangalasan, bĕt mohal kasarung, kabawa ku kaba-kaba, anu ĕnggeus tumitis istri sadjati, karantjana ku setan.

3.Saĕngeusna njaur kitu Putri, těras deui miwarang Manetja, ngěmpělkeun para bupatos, gantjangna nu ditjatur, sadajana ratu sarumping para tumĕnggung arja, kumpulan di panggung, Sang Adjĕng Ratna Suminar, seug ngembarkeun ka sadaja anu linggih, bari pasĕmon reuwas.

4.Saur Putri ka Sang Raraspedi, tjobi kakang kumaha pětana, istuning tjilaka gěde, matak djadi gumujur, hanteu aja atjeuk Pramanik, ti djĕro padjuaran, dipilari suwung, djeung Manetji teu ajana, tjobi manah ku sadaja prabopati, kira-kira ka mana.

5.Waktu ieu ulah linggih2, sadajana kudu nareangan, sabuana leuweung ganggong, bilih bae kalangsu, wantu-wantu lungsur ti peuting, karuntjang ku siluman, dibawa teu puguh, ajeuna sumangga enggal, ulah kenging ngantjik prawadya pradjurit, njalaksrak pangalasan,

6.Sang Sri Maha Ratu Raraspedi, langkung² djuměngok ku reuwas, ngadangu saur Sang Putren, jen Sang Pramanik suwung, tina panggung reudjeung Manetji, sarta sadaja těras ubiag lalungsur, ngarahrah sapangalasan, ari Putri damĕlna ngalindjing pusing, taja nu teu disěntak.

7.Sumawonna Manetja mah sěring, digaokan ditjiwit tjeulina, ku kěrsa Sang Adjĕng Putren, malah harita tĕrus, Ratu Putri ngambah wiati, sarĕng Njai Manetja, bubuhan nu alur, ngambah kana djumantara, buar-biur njusul Pramanik Manetji, bisi aja nu mawa.

8.Hanteu tjitjing ngatjatjang di langit, rurut-reret kana madhab papat, wěleh teu kapěndak bae, Sang Ratu Putri ewuh, raos langkung nadahan sědih, tina marga němbean, pinanggih djeung kitu, kataradjang kaapěsan, dugi ngangrěs dina salĕbĕting galih, Adjĕng Ratna Suminar.

9.Hanteu lami těras mulih deui, kana panggung pasanggrahanana. [ 261 ]ngĕmpĕlkeun para bupatos, kĕrsana rek barěmpug, tina sidik Dewi Pramanik, leungitna dugi musna, Sang Putri ngadawuh, ka sadaja pradipatya, tjobi manah ku sadaja prabopati, estu leuwih helokna.

10.Istu nĕmbe saumur nja hurip, njorang tiwas nu kieu djalanna, matak nunggarakeun hate, njurungkeun kana napsu, narik pikir suměrah diri, tinimbang djeung kieu mah, anggur lampus umur, njoreang kana aherat, njorang pati moal panasaran ati, lamun geus luluasan.

11.Moal njangking pĕrtiti nu rintih, ka nu salah moal ngomah-ngomah, kadjeun disĕbut logodjo, tukang ngahukum bunuh, mung ajeuna pamugi-mugi, urang sami ngamanah, anu leuwih husu, nĕrapkeun sangka-sumangka, hal pĕrkawis ajana atjeuk Pramanik, djeung si Manetji tea.

12.Mung pribados moal geseh deui, sangka hate ka ieu Manetja, geus tinangtu kana pongkol, těgěsna sapamaksud, djeung dulurna bangsat Manetji, lantaran pang euweuhna, atjeuk teh ti panggung, tangtu dipaling dibawa, ku Manetji těrkadang diarah pati, wantu adat siluman.

13.Ajeuna mah samemeh kapanggih, si Manetja ku sadaja tahan, borogod ku djimat rante, sasampur ti karuhun, parantina ngarante pradjin, lamun dina sabulan, atjeuk hĕnteu timu, tinangtu těrap hukuman, diasupkeun ka djĕro kamar wěrědjit, si Djurung-padjarangan.

14.Raraspedi ngawalon ka Putri, hal pĕrkara ingĕtan kakang mah, ulah waka rusuh bae, nětěpkeun sangka estu, kalĕpatan ka pun Manetji, anu gawe binasa, ka Sang Dewi hasud, dipaling dikaniaja, bilih bae aja salian Manetji, nu njieun kitu lampah.

15.Ajeuna mah Adjĕng mugi-mugi, kĕdah naros kana kawěruhna, kakang Gĕndarata jaktos, ku tingal elmu nudjum, ajana teh Dewi Pramanik, wantu djuru panorah, ti kapungkur-pungkur, ngawangsul Ratna Suminar, ka kĕrĕsa Sang Srimaha Raraspedi, rai lintang mupakat.

16.Hanteu lami těras naros Putri, ĕnja eta ka Sang Gěndarata, tjobi manahan sing jaktos, pĕlĕng lĕbĕting kalbu, hal pĕrkawis atjeuk Pramanik, dina waktu ajeuna, deukeut naha djauh, djeung suka atawa duka, sinarĕngan di mana těmpatna linggih, tjarioskeun ku kakang.

17.Gěndarata ngawangsul ka Putri, bari mĕsum lir anu kewuhan, pěrkawis Sang Adjĕng Putren, mariksa nu saestu, kaajaan Dewi Pramanik, pun kakang sakalintang, nandang pikir ewuh, ku margi waktos ajeuna, teu tiasa ngilĕng těmpatna Pramanik, poek lĕběting rasa.

18.Sarĕng wantun sumpah nu mateni, saupami běběndjon pun kakang, sěmbuni lĕbĕting hate, jen nandang pikir linglung, lir upami paningal lahir, mĕndung djeung halimunan, rasa kakang estu, duka anu djadi marga, tjambal palak kakara saumur hurip, teu mĕntal pangawasa. [ 262 ]19.Mung sakadar kapĕlĕng ku ati, kaajaan Pramanik ajeuna, mung suka-dukana bae, ku kakang nu kamaphum, mungguh tuang raka Pramanik, dupi nandang sukana, nambahan panĕmu, raratan kasare'atan, kudu ngambah djadjahan odjahing lahir, ihtiar pasaratan.

20.Dupi pangna dukana Pramanik, wireh langkung abot ku kamĕlang, njaah ka Sang Adjĕng bae, tina raos satuhu, umangkĕnna ka Adjĕng Putri, anu taja hinggana, lir saderek estu, mo pěgat dunja-aherat, malah² ajeuna Dewi Pramanik, manahna ngadudu'a.

21.Kawalujan laksana pamĕrih, eta kitu Sang Dewi duʻana, mĕnggah ka lĕnggah Sang Putren, Ratna Suminar njaur, ari eta iblis Manetji, ajeuna teh di mana, pang ilang ti panggung, Gêndarata ngawangsulan, sasarĕngan sarĕng Sang Dewi Pramanik, sami suka djeung duka.

22.Sukana teh mulungan pangarti, rukun² bagbagan agama, dupi kadukaanna teh, sieun aja panulup, gawe maling Dewi Pramanik, disangka rek binasa, ka Sang Dewi, estu, pikirna inggis ahirna, dihukum ku kĕrsa Sang Ratu Putri, tah kitu pang dukana.

23.Naros deui Sang Ratu Putri Djin, dupi eta nu djadi lantaran, pang lolosna ti panggung teh, naha lantaran bĕndu, atawana aja nu maling, ngawangsul Gěndarata, bari tungkul mĕsum, palĕbah eta pun kakang, poek deui hanteu kailĕng ku ati, halimunan pangrasa.

24.Duka naon anu djadi margi, palak kakang hěnteu bisa muka, měděng dugi rasa poek, Sang Ratu Putri njaur, estu hanteu matak kaharti, pasal ieu pĕrkara, kakara saumur, ngadjadjah alaming odjah, manggih heran leuwih ti nu ĕnggeus tadi, anu geus kapilampah.

25.Ngan kumaha kintĕn-kintĕn ahir, bisa deui dikadar patĕpang, sarĕng atjeuk Pramanik teh, Gĕndarata ngawangsul, nu kailĕng ku kakang pasti, tĕpang deui ahirna, dina waktos nudju, Sang Adjĕng gumira manah, ku djalanan laksana nu dipigalih, těrbuka para sěpah.

26.Ratu Putri ngalahiran deui, kieu bae atuh ajeuna mah, mupakat rai pribados, ka Riskomar tong tulus, sadajana kědah marulih, ka nagara Banuja, ĕngke mun geus tjunduk, urang tangtang si Putia, atawana rurugan bae sakali, datangan ka nagrina,

27.Montong gěder sumêber nja galih, ku nu ngaran si Putiasukma, nadjan digdjaja kasakten, masih hirup lumantung, ieu urang Pusĕring bumi, ngaran Ratna Suminar, Ratu Bungbungümur, nu purah nadah nu gagah, anu ahli ngabĕrik meuntjit nu sakti, nu mawi ulah sĕmang.

28.Raraspedi ngawalon ka Putri, měnggah kakang kumaha Sang Ratna, ka mana ge ngiring bae, atuh ajeuna kudu, ka Banuja warangsul deui, mangga nadjan ajeuna, ngan aja panuhun, mugi Adjĕng ulah nilar, [ 263 ]bilih bae Sang Putia ngarah pati, ngabinasa ka kakang.

29.Saur Putri wah mo ĕnja rai, nilar anggang ka salira kakang, samemeh Putia Katong, lampus ragana adjur, margi eta mupakat rai, dintĕn ieu sadia, endjing subuh, budal mulih ka Banuja, maksad rai hajang enggal² djadi, ngaděgkeun daņalaga.

30.Gantjangna teh ieu nu digurit, saparantos gunĕman wawarta, sadaja ubiag bae, bupati pratumênggung, patih mantri wadya pradjurit, sami² gumbira, bubuntěl bubungkus, bungah ku nampa embaran, poe isuk Sri Maha Ratu rek mulih, ka nagara Banuja.

31.Wĕngi eta wadia pradjurit, sukan-sukan ngaděgkeun tangara, minangka ngahormat bae, ka Těgal Sulungtubu, tina arek ditilar mulih, ku Sang Ratu Banuja, sartana rahaju, watĕk kai Langlangsona, hanteu njorang kana balai tjotjobi, geusan kapěrlajaan.

32.Hanteu eureun morobotna bědil, tingdjalĕgur sora mariĕmna, ngaguruh lir urug bae, kěběk di Sulungtubu, djeung dibarung surak pradjurit, sartana tatabeuhan, koromong djeung děgung, pelor badjidor dordoran, musik tandji wantuning pesta bopati, kenging kanugrahaan.

33.Katjaturkeun geus isukna deui, pukul lima ngawitan barangkat, ngaleut kaja lulut bae, ngantunkeun Sulungtubu, Sang Banuja djeung Genda Rĕsi, teu anggang tunggang gadjah, ngaran si Gurundung, ngan Adjĕng Ratna Suminar, hanteu anggang sarĕng Manetja pangiring, ngambah ka djumantara.

34.Saluhureun aleutan bopati, nangtajungan dina mega malang, ka arja para bopatos, Manetja djeung Ratnaju, sarta hanteu lami ngalahir, Sang Putri ka Manetja dibarung ku mĕsum, Manetja kami ajeuna, rek tjarita tapi maneh kudu lantip, pitjeun adat siluman.

35.Kami leuwih gumantěng nja ati, rada aja pikiran tjangtjaja, tapi lain goreng hate, kana sagala saur, kakang Gěnda nu waktu tadi, nĕrangkeun kaajaan, dina pasal nudjum, paningalna wawarehan, aja pasal palak tjambal hanteu djadi, paningal halimunan.

36.Kakang Gĕnda ku panaksir kami, kawas² rada dihalangan, těmpat atjeuk Pramanik teh, sartana nu ngabantun, disěbatkeun teu katingali, dina djĕro panorah, tah ku sabab kitu, kami leuwih panasaran, sêmu² manah kakang Gěnda Rĕsi, aja nu dipindingan.

37.Lamun lain raka Sang Pramanik, njieun tata nu kitu tjurangna, tadi oge djol bělědog, nadjan elmuna luhung, moal burung njawana bidjil, ngan ku aja halangan, ku saderek guru, tatapi kami ajeuna, tina leuwih ngandung panasaran ati, těgěsna teu pêrtjaja. [ 264 ]1.Tina sabab eta kitu, tjing kami ka maneh mĕrih, tapi kudu reudjeung tata, ulah katjiri ku budi, ulah katara ku polah, masing titih rintih dĕmit.

2.Ajeuna maneh teh kudu, indit ka Pusĕring bumi, djugdjug ka karang panjiksan, Bungbungümur těmpat tjandi, nagara Tolongtêlêngan, pěrluna něpungan Ginggi.

3.Mantri Padjarangan Ratjun, sĕbutkeun titahan kami, Mantri Ginggi kudu iang, sarta kudu gasik², ka dunja kamanusaan, aja anu pěrlu leuwih.

4.Sartana lamun geus tĕpung, maneh reudjeung Mantri Ginggi, kudu těrus ngadeheusan, ka Ratu Bandjaransari, Sri Maha Purnama Alam, menta dianteur ka Ginggi.

5.Pěrluna maneh ngabantun, surat ti kami pribadi, djeung maneh kudu sing awas, suganna atjeuk Pramanik, kasampak linggih di dinja, maneh geuwat balik deui.

6.Ajeuna maneh tong tulus, ka Banuja ngiring kami, pek ajeuna geuwat, djeung ieu ka Baraspati, surat katěranganana, tanda ěnggeus idin kami.

7.Manetja tĕrus ngawangsul, njumanggakeun ka Sang Putri, gantjangna Manetja kĕbat, pěrdjalanan nintjak angin, monteng ti luhur ka handap, gěblus asup kana bumi.

8.Wantuning siluman estu, bisa di handap di langit, tunda lampahna Manetja, katjaturkeun deui Putri, Sang Adjĕng Ratna Suminar, njaur salĕbĕting galih.

9.Aing teh kumaha atuh, pikĕbateunana diri, lantaran ku sakieuna, kawas moal kana hasil, kana pangarĕpan asal, pang indit ti Pusěrbumi.

10.Lantaran nu dipidjugdjug, salira atjeuk Pramanik, ajeuna kitu buktina, jega ngantunkeun ka aing, ngalolos hanteu wawarta, kawas nu sêmbuni galih.

11.Mana kitu ge teu purun, ku aing diiring-iring, pikeun dajung pamuntangan, bagbagan lahir djeung batin, djalanan kasampurnaan þĕrtiti agama sutji.

12.Aing nu kantun nawuku, peurih sadjĕroning ati, ngan tukang ambon sorangan, taja nu tetes tumitis, umangkĕn kana rumawat, miwĕlas asih ka diri. [ 265 ]13.Tapi ajeuna kasurup, kana sadjĕroning ati, leuwih hade aing nunda, kana djalan bela pati, ka sipat bangsa nu lian, lain těrahing sabibit.

14.Ajeuna mah nu dipadju, rek nungtik wiwitan tadi, lĕmah tjai nu sorangan, anu geus lĕdis laleungit, itung² ngarawatan, djeung bela ka sěpah wargi.

15.Barang geus ngamanah kitu, tĕras bae Ratu Putri, kĕbat lalampahanana, kitu deui prabopati, sarĕng sadaja ponggawa, geus sumping ka tĕpis wiring.

16.Ibĕrna anu ti pajun, Rahaden Aria Patih, sumping ka djěro nagara, ngembarkeun jen Ratu sumping, ĕnggeus ubiag di kota, marapag ka Sang Narpati.

17.Sarta pada njararěbut, Gusti urang ĕnggeus sumping, kenging pĕpĕranganana, unggul tanda leuwih sakti, kitu aromonganana, marukanna trus prang tanding.

18.Geus ngaguruh di kadatun, pahormatan bangsa muni, musik děgung djeung gamĕlan, Prameswari bingah galih, sarĕng sadaja rengrengan, garwa pěrjaji nagari.

19.Gantjangna ĕnggeus murudul, aleutan wadya pěrdjurit, Sri Maha Ratu Banuja, geus linggih di pantjaniti, dirangkul ku Prameswara, djeung ku para putra alit.

20.Marga sono langkung², teu tĕpang sataun leuwih, ma'lum dipasal eta mah, teu lami Ratu ngalahir, ka rai Parameswara, kudu sadia di puri.

21.Baris njadiakeun tamu, Putri djin ti Pusĕrbumi, teu lami ĕnggeus sadia, wantu di bangsa narpati, djeung sadaja pradipatya, harita sami lalinggih.

22.Di pajun gědong kadatun, beres linggih dina korsi, sami nandang bingah manah, para tumĕnggung bopati, gumuju ear-earan, wiludjĕng sarumping deui.

23.Barang keur gumuju saur, torodjol Sang Putri sumping, ngolenjaj ti awang², lumĕbĕt ka pantjaniti, kana riungan pranata, tandang bari imut manis.

24.Ratu Putri di kadatun, ngalindjing samemeh linggih, ningal pangeusi pamĕngkang, beda djeung di Pusĕrbumi, taja nu hurung nu herang, sĕpi sipat nu karětip.

25.Teu lami Sang Putri tĕrus, linggih dina korsi gading, beunang narapang ku giwang, majun ka para bopati, njĕbatkeun Alhamdulillah, tĕrang di Banuja nagri.

26.Patĕpung djeung para kupu, pinanggih djeung kulawargi, kalawan [ 266 ]kasalamĕtan, nuhun nampi sihing Gusti, amung muga kana kĕbat, pinanggih djeung bibit-buit.

27.Ngandika para tumĕnggung, pada njěbat sami-sami, nunuhun ka Gusti Allah, dumugi kana pinanggih, laksana anu ditěda, salamět lahir djeung batin.

28.Barang parantosna njaur, gĕr surak asa kaindit, dibarung ku tatabeuhan, tawis sami bingah galih, ratu djeung para ponggawa, abdi-abdi kitu deui.

29.Sang Ratu Banuja njaur, mariksa ka Ratu Putri, dupi pun Manetja mana, naha hĕnteu aja ngiring, ngawangsul Ratna Suminar, Manetja didjurung rai.

30.Ka guha si Bungbungümur, ngala paman Mantri Ginggi, wireh manehna teu atjan, dongkap laporan ka rai, pĕrkawis Aria Kumba, didjurung dihukum pati.

31.Diparabkeun kana ratjun, siksaan milampah déngki, ajeuna rai teu atjan, nampi laporan ti Ginggi, margi ku rai diala, bade diparios tĕbih.

32.Samalah rai pamaksud, pěrkawis madjěng prang djurit, kêdah ngantos Ginggi heula, senapati Pusĕrbumi, Ratu Banuja ngandika, kakang mah sumědja ngiring.

33.Saparantos guněm saur, sadajana prabopati, baringah riungan tuang, ngaberes di pantjaniti, ngolear di parukunan, pamirig gamĕlan muni.

34.Sang Meswari hanteu djauh, tjalik sarĕng Sang Putri djin, teu lami ladjĕng mariksa, Sang Putri ka Prameswari, ari ieu saha tea, kuring kakara papanggih.

35.Meswari ladjěng ngawangsul, atjeuk teh Parameswari, garwa Sang Ratu Banuja, ngandika Sang Ratu Putri, nuhun dikadar patěpang, pangasih Gusti Jang Widi.

36.Gantjangna anu ditjatur, geus tĕtĕp Sang Ratu Putri, tjalik di puri Banuja, kalangkung dipusti-pusti, ku sadaja pradipatya, dipiserab dipigimir.

37.Sanagri Banuja gujur, lantaran aja putri djin, geulisna kabina-bina, loba anu njĕbut geuning, bĕt sulaja tina bedja, madjar djiga barong badis.

38.Saban poe ngaleut ngabrul, harajang njaho putri djin, tisuklakna tisiklukna, daratang ka djĕro nagri, sambian narongton pesta, ngaruat para bopati.

39.Ari Sang Putri teu kantun, sarĕngan Parameswari, lajeut dugi rerentetan, diugung dipusti-pusti, ngan tatjan buka rasiah, Ratu Putri ka Meswari. [ 267 ]1.Gantjangna anu digurit, tunda Sang Ratu Banuja, sarĕng Sang Ratu Pinutren, katjatur deui Manetja, utusan Adjěng Ratna, sartana teu lami tjunduk, Manetja ka lawang guha.

2.Geus těpung djeung Baraspati, nu purah ngadjaga lawang, Baraspati tĕrus naros, pokna Njai nu ti mana, djeung naon nu dimaksad, nu matak ka dieu tjunduk, Manetja seug ngawalonan.

3.Sim kuring nu mawi dugi, wirehing ngěmban timbalan, ti kêrsa Ratu Pinutren, Sang Adjĕng Ratna Suminar, didawuhan njusulan, Mantri Ginggi djuru ratjun, kamar Djurung-padjarangan.

4.Tah ieu ngabantun kuring, sĕrat katĕranganana, ti kĕrsa Sang Adjĕng Putren, bade ka salira mamang, ti dinja pek diwatja, tetela ti Ratu Aju, Baraspati seug ngidinan.

5.Barang ĕnggeus nampa idin, Manetja tĕrus ka guha, dumadakan djol paamprok, reudjeung Mantri Padjarangan, sarta teu kira-kira, barang ret Ginggi ngarandjug, kaget ku ningal Manetja.

6.Terus nanja Mantri Ginggi, eta Njai nu ti mana, naon anu dimaksud teh, nu mawi ka dieu dongkap, Manetja ngawaloan, lĕmbur mah kuring teh djauh, tanah Banua Asia.

7.Nagara Sagara Keusik, bapa mah Ratu di dinja, Mantri Ginggi seug ngawalon, bari seuri nĕngkĕp baham, djeung taktak rarandjugan, paingan atuh bějědug, urang Sagara Keusik mah.

8.Manetja ngawalon bĕngis, djeung tinimbang nu kitu mah, boga adat tjara lele, saumur-umur ngaguha, Ki Ginggi ngawalonan, ah Njai tong těrus běndu, kakang oge babanjolan.

9.Ajeuna mah gasik-gasik, naon anu dipimanah, tjeuk Manetja hal kuring teh, nu mawi ka dieu dongkap, puguh ngĕmban timbalan, ti kěrěsa Ratu Aju, Sang Adjĕng Ratna Suminar.

10.Miwarang ka diri kuring, dikĕdahkeun ngadeuheusan, ka kĕrsa Pangeran Anom, Sang Putra Purnama Alam, njanggakeun ieu sĕrat, sarta kĕdah buru-buru, Mantri Ginggi ngawalonan.

11.Mangga atuh gasik-gasik, ka gědong karang kamuljan, sanggakeun ku Njai bae, tjeuk Manetja atuh mangga, undjukkeun ka Sang Putra, tjeuk ki Ginggi hĕnam atuh, bĕt teu kudu didjontrotan.

12.Sang Putra Nurasadjati, lĕnggah di korsi kantjana, nu mubjar [ 268 ]katambah objor, dideuheusan Arja Kumba, djĕro kamar kamuljan, gantjangna Manetja asup, ngadeuheus ka Sang Pinutra.

13. Sang Putra barang ningali, ka eta Njai Manetja, ngarendjag ku tina kaget, ningal nu kitu rupana, hideung rintit buukna, huntu tonggar badan imbruh, lain pandena manusa.

14. Pinutra geus njangka djurig, bangsa bebet duruwiksa, ka eta Nji Manetja teh, teu lami tĕras mariksa, maneh anu ti mana, naon anu dipimaksud, nu matak ka kami datang.

15. Nji Manetja hanteu lami, ngawangsul ka Sang Pinutra abdi teh anu sajaktos, rentjang Sang Ratna Suminar, ngĕmban timbalanana, dawuhan kĕdah ngabantun, sĕrat ka kěrsa gamparan.

16. Sang Putra Nurasdjati, těras bae maos sĕrat, ungĕlna anu kahartos, sĕrat katur ing pangkonan, djěng raka anu lĕnggah, ing kaputran Bungbungümur, Bandjarkarang kemuljaan.

17. Kaulanun margi rai, ngadjurungkeun pun Manetja, sumĕdja bade tumaros, kalajan nu sajaktosna, ka salira djěng raka, wirehing rai kapungkur, parantos njanggakeun sĕrat.

18. Nu dibantun ku pun Mantri, djuru Djurung-padjarangan, waktos rai di patanen, amung dugi ka ajeuna, rai teh hěnteu atjan, nampi walĕran nu husu, mĕnggah ti kĕrsa djĕng raka.

19. Rai ngantos sasih-sasih, dumugi gaduh kemutan, palangsiang Mantri Kuntjen, njorang balahi di djalan, atanapi djĕng raka, anu teu kěrsa ngawangsul, kana sipat sěrat hina.

20. Ku margi eta pamugi, disuhunkeun lědjar raka, kěrsa tombok ku tjarios, ka nu lintang hina papa, upami parantos mah, sěrat kapěngkěr kamaphum, sapanuhun rai tea.

21. Kadua pěrkawis deui, njuhunkeun dienggal-enggal, pun Ginggi didjurung mios, kědah kairingkeun pisan, ku ieu pun Manetja, sakitu rai piundjuk, baktos pun Ratna Suminar.

22. Sang Putra Nurasadjati, saparantos maos sěrat, gumuju bari njarios, ieu surat diněs pisan, tjoba ku Mantri batja, sanggěm Mantri adat alur, sěmi sanes ka pupudjan.

23. Dumugi taja saeutik; kětjap tawis katjintaan, saena mah kědah nganggo, ja Allah djeung masa Allah, nu parantos biasa, dupi ieu mah bět suwung, bolostrong taja ikětan.

24. Amung sae djadi tawis, dunungan djisim abdi mah, adat pěngkuh ti bareto, tara kěrsa bobogohan, nu mawi dina sěrat, teu aja kětjap pangluju, wungkul basa sahinasna.

25. Walon Kumba Aringäring, wah mungguhing ajeuna mah, kětjap [ 269 ]teugeug mah da goreng, dipake ka katjintaan, geus alam kamadjuan, Ginggi seuri djeung ngawangsul, undjukkeun ka Adjĕng Ratna.

26. Walon Kumba bari seuri, pek bae da tangtu ngambat, sabab lain kakang bae, nu njĕbut bolostrong basa, surat taja ikĕtan, sanggeus pada njaur kitu, heug seuri eak-eakan.

27. Purnama Alam ngalahir, ka eta Njai Manetja, kami teh tarima bae, nandangan di kaluputan, ka Nji Ratna Suminar, tina hanteu buru-buru, kami ngawalonan surat.

28. Tatapina aja margi, pang teu atjan ngawalonan, lantaran ku tatjan salse, ku sabab waktu ajeuna, sang Sri Maha Tolĕngan, malik piwĕlasna kalbu, ka kami asiheunana.

29. Malah geus salin agami, kaom bangsa kasutjian, djeung sakabeh prabopatos, sabawah Tolongtělěngan, sipat bangsa kadjinan, taja anu hanteu nurut, kana kaom kanabian.

30. Saban poë saban peuting, ka dieu pada daratang, ieu paman Mantri Kuntjen, anu purah nawadjuhan, ngawaridkeun agama, tah eta sababna kitu, anu matak djadi ĕlat.

31. Sarta Kangdjĕng Rama Gusti, sarĕng Djĕng Ibu Meswara, dina waktu ajeuna teh, anu teu aja hinggana, tina wělas-asihna, kaja ka putra nu estu, ku kami ĕnggeus karasa.

32. Dina sapoe sakali, sumpingna Sang Sri Narpatya, sarĕng ponggawa sakabeh, ka kami kĕrsa ngalajad, samalah-malah njaram, ulah waka arek wangsul, ka ama Sang Sri Riskomar.

33. Kitu anu djadi margi, tina wagěl ku panjaram, hěnteu nogtrog teu bĕlĕngong, wani maksa něda mulang, lain ku hanteu aja, kana kamĕlang kaemut, ka bodjo di kamanusan.

34. Lantaran ku ĕnggeus nampi, surat ti Nji Rĕsi tea, Dewi Pramanik bareto, aja basa kudu jasa, nitipkeun nja salira, ka Ratu Bumi-pingpitu, ngalap njalamĕtkeunana.

35. Nadjan paman Mantri Ginggi, lain teu sĕring amitan, kana maksud hajang mios, ngan ku kami teh ditjaram, ulah waka ajeuna, dikudukeun nunggu², beresna njĕbar agama.

36. Malah maneh oge misti, ngadeuheusan ka Sri Nata, nja eta undjuk waspaos, sagala dikaajaan, Njai Ratna Suminar, supajana djadi wuwuh, manahna kapĕrtjajaan. [ 270 ]1. Manetja seug ngawangsulan, ka Sang Putra Nurasdjati, mĕnggah abdi tumut pisan, kana sugrining panglahir, kědah undjuk tingali, ka kĕrĕsa Kandjĕng Ratu, hal pěrkawis Sang Ratna, amung abdi mugi-mugi, nĕda widi kana wangsul enggal-enggal.

2. Saur Sang Radja Pinutra, taja halangan teh teuing, ngan mang Mantri Padjarangan, ku maneh moal kairing, ĕngke djeung diri kami, wangsul mun geus idin Ratu, ka nagara Riskomar, Manetja ngawangsul deui, mĕnggah eta kumaha kĕrsa gamparan.

3. Pandjang lamun ditjarita, wawarti Sang Nurasdjati, gantjang harita bubaran, sadaja ti djĕro bumi, Kumba djeung Mantri Ginggi, Nji Manetja anu kantun, sarĕng Sang Radja Putra, duaan di djěro bumi, Radjaputra nĕraskeun deui mariksa.

4. Kami arek malik nanja, ka diri maneh pribadi, lantaran kami kakara, těgěsna anjar pinanggih, djeung maneh nu sajakti, turug-turug taja tjatur, bedja ti anu lian, Nji Putri boga pangiring, ngan kadjaba Mantri Djurung-padjarangan.

5. Ari maneh nu ti mana, bibit-buit asal tadi, kawas rentjang sasampeuran, djeung saha maneh teh landi, ngaran anu sadjati, gantjang Manetja ngawangsul, wasta abdi Manetja, ti nagri Sagara Keusik, bapa abdi Ratu di nagara eta.

6. Mariksa deui Sang Putra, na kumaha anu mawi, tĕpang sarĕng Adjĕng Ratna, dumugi djadi pangiring, andjeun ka Njai Putri, Njai Manetja ngawangsul, sarta těras didadar, ku Manetja asal tadi, tina awit diutus ku Sang Rundjana.

7. Dipiundjuk teu kaliwat, milari tumbal nu matih, sarta nĕpi kana dongkap, ngintip Sang Putra Sang Putri, Purnama djeung Pramanik, ditutur hanteu kaliru, nandean tjai sotja, nĕpi ka milari deui, Rohongguris teu aja ti nagarana.

8. Nja dumugi kana mangsa, tĕpang sarĕng para Putri, di tĕgal si Awat-awat, leuwi Kali Lariburi, nu djěro leuwih-leuwih, sarta dumugi ka tjunduk, ka těmpat Langlangsona, ngan aja nu teu diwarti, ku Manetja ka Sang Pangeran Pinutra.

9. Ĕnja eta kaleungitan, Sang Dewi sarěng Manetji, ku Manetja dirasiah, těmahna bilih ngadjadi, tunggara kana galih, bobor geusaning [ 271 ]rahaju, disĕbat ku Manetja, Sang Dewi Pramanik masih, sasarĕngan sarĕng Sang Ratna Suminar.

10. Sang Putra Purnama Alam, kalangkung kagetna galih, ngadangu dongeng Manetja, hookeun hěnteu ngalahir, tina teu njantěn teuing, aja anu gawe kitu, ngintip laku andjeunna, teu lami ladjĕng ngalahir, babad andjeun estu leuwih ku anehna.

11. Teu njana waktu harita, pribados aja nu ngintip, hadena teu kalĕpasan, amung pribados teu nampi, pěrtjaja dina ati, ka saur andjeun sakitu, lantaran taja tanda, bukti jen andjeun tingali, kana laku pribados di Gurangsarak.

12. Meureun tjaritaan bedja, ti Njai Dewi Pramanik, da andjeun geus sasarĕngan, beunang ti tjarita dĕmit, Manetja hanteu lami, ka Radjaputra ngawangsul, aja bade tawisna, gamparan nalika nampi, pangwalěran sĕrat ti Sang Dewi tea.

13. Ku gamparan disimpĕnna, dina bupet těmpat nulis, geuning ku dampal gamparan, barang rek diaos deui, hanteu kapĕndak deui, malah gamparan misaur, kabantun ku Sĕmbada, mangga ku gamparan galih, lĕbah mana abdi kirangna katěrang.

14. Sang Putra Purnama Alam, njaur salĕbĕting galih, ĕnja aing ingět pisan, harita surat teh leungit, njangka ka paman Tjatrik, pang euweuhna ku kabantun, Radjaputra ngandika, barina gumuju manis, jaktos pisan andjeun teh taja lěpatna.

15. Mana ajeuna sěratna, anu ti Njai Pramanik, tjobi pribados ningalan, Njai Manetja teu lami, ka Sang Nurasadjati, njanggakeun sĕrat djeung njaur, sumangga ku gamparan, tingali dumugi sidik, bilih abdi serong bohong ka gamparan.

16. Diilo ku Sang Pinutra, sidik hanteu samar galih, jen sĕrat ti rai tea, nja eta Dewi Pramanik, Radjaputra bawaning, kagagas lĕbĕting kalbu, ku kagugat ku sĕrat, ngawuwuh pěrlaja galih, lělĕb tanděs sumĕdot emut ka garwa.

17. Lěng bae ilang kemutan, kaja kapidara badis, njuuh pajuneun Manetja, bari njěbat aduh Njai, ĕnung pamulĕt ati, djungdjunan wawangen kalbu, ieu ĕngkang pěrlaja, leuwih hade nindih pati, djeung tinimbang lara ku djalan patilar.

18. Lami-lami Sang Pinutra, lĕs bae teu eling-eling, dumugi tjara nu wapat, teu pisan ngalahir-lahir, Manetja leuwih-leuwih, reuwas ningali Sang Sunu, dugi ka ngadegdegna; bari njĕbut ĕh balai, tangtu aing disangka nu ngabinasa.

19. Geus pinasti sadajana, para mantri djuru kuntji, pĕndjaga di ieu [ 272 ]guha, ka aing ngahukum pati, Manetja sĕgruk tjeurik, edjegeler hanteu diuk, inggis kaburu datang, mantri-mantri guha tjandi, lami-lami Manetja datang ingĕtan.

20. Aing kawas lain tĕrah, nagara Sagara Keusik, ku aing rek sakalian, dipaling dibawa balik, ti ieu guha tjandi, disanggakeun ka Sang Wiku, patapan Ragatoja, sina ditawa ku Rĕsi, saĕnggeusna Manetja kitu pikirna.

21. Těras kana pagulingan, ngabantun kampuh sal putih, pikeun ngabuntĕl Sang Putra, ari saĕnggeusna buni, Sang Putra Nurasdjati, ku Manetja seug dipunggu, bĕlĕsat bae lumpat, Manetja ti bandjarsari, dumadakan Baraspati djagalawang.

22. Waktu ngaliwat Manetja, Baraspati nudju sĕpi, keur tjalik di patjilingan, Nji Manetja ĕnggeus bidjil, ngědjat kana wiati, lir kilat bawaning rusuh, sarta kĕbat lampahna, pěrdjalanan nintjak angin, nu didjugdjug ka patapan Ragatoja.

23. Tunda lampahna Manetja, katjatur Dewi Pramanik, sarĕng Sang Dewi Pursita, dideuheusan ku Manetji, wantu keur nudju linggih, dina dipan latar pajun, Pramanik seug ngandika, ka eta Njai Manetji, sarta langkung nandang mĕsum pasěmonna.

24. Eh Endang kuring teh susah, lantaran patilar těbih, reudjeung Nji Ratna Suminar, istu mĕlang leuwih², pasti moal sak deui, kana nandang napsu nguwung, ma'lum dina adatna, manggih kieu komo teuing, amarahna Nji Adjěng Ratna Suminar.

25. Sarta tangtu kana njangka, Endang anu maling kuring, ambĕkna tangtu mamawa, ka Manetja ĕnggeus pasti, kana ngahukum pati, tapi mugi Maha Agung, Allah anu kawasa, Nji Ratna Suminar lilir, lĕsu napsu nadah babaraning sabar.

26. Nji Manetji ngawangsulan, měnggah bawiraos abdi, upami rai gamparan, ngěrsakeun pusing ka abdi, abdi sadrah teh teuing, sanadjan dihukum gantung, tina margi emutan, kapamběng nandangan hurip, djeung tinimbang nandang, lara sapaosna. 

27. Amung abdi teh emutan, siang sinarĕngan wêngi, mĕnggah di waktos ajeuna, gamparan anu diiring, sumĕdja bela pati, gamparan upami pupus, abdi teh ngiring pĕdjah, upami gamparan mukti, diri abdi anu bingah kumawula.

28. Dewi Pramanik ngandika, sanadjan ingětan kuring, ari ka anu bela mah, moal hĕnteu wĕlas asih, ĕnggeus tangtu teh teuing, sili tabur ku panulung, dina saupamana, Endang teh njorang balahi, tangtu kuring nulungan sabisa-bisa. [ 273 ]29. Ngan kuring rek menta tanda, jen Endang rek bela pati, tjoba kumaha akalna, supajana diri kuring, enggal² papanggih, reudjeung panutan satuhu, Sang Pangeran Pinutra, nu aja di Pusĕr-bumi, djĕro guha nagara Tolongtělěngan.

30. Manetji seug ngawangsulan, mĕnggahing emutan abdi, teu kědah ka saha², ka rama bae Sang Rĕsi, margi tangtos teh teuing, andjeunna jasa ngabantun, raka ti djĕro guha, Dewi Pramanik ngalahir, atuh isin tjumonggah nitah ka sĕpah.

31. Gantjangna ieu tjarita, barang Sang Dewi Pramanik, keur nudju gĕnah wawarta, gurudug Manetja dugi, dongkapna ti wiati, ka pajuneun Putri Wiku, sarta nu dibantunna, masih dikurudung buni, seug diteundeun dina latar palĕnggahan.

32. Dewi Pramanik teu kira, kaget salĕbĕting galih, ningali Manetja dongkap, hookeun hěnteu ngalahir, Manetja kitu deui, barang ret ngarangkul sudjud, kana sampeanana, nja eta ka Sang Pramanik, bari njĕbut aduh gamparan teu njana.

33. Bĕt aja di dieu lĕnggah, ku abdi teh dipilari, kana sabuana madhab, sarĕng rai Adjěng Putri, dumugi teu kapanggih, ku naon margana kitu, linggar hanteu wawarta, Dewi Pramanik ngalahir, ĕh kuring teh ajeuna tarima dosa.

34. Ajeuna mah hanteu kĕdah, njababkeun nu djadi awit, asal kuring pangkieuna, ĕngke oge dipiwarti, pajuneun ama Rĕsi, ajeuna mah buru-buru, itu anu dibawa, buka hajang njaho kuring, kawas-kawas gumĕbjar sipat sosotja.

35. Barang eta Nji Manetja, rek muka Sang Nurasdjati, Rĕsi norodjol ka luar, sartana bari ngalahir, pasĕmon kawas pusing, ka Manetja bari nundjuk, sia kurang wiwaha, hajoh bawa gasik², ulah sina ebog dina dipan latar.

36. Kudu bawa kana kamar, katil pagulingan kami, ku maneh bae sorangan, djeung ulah aja nu wani, muka lian ti kami, gantjang ku Manetja těrus, Sang Pangeran Pinutra, dibantĕn ka kamar Rĕsi, salĕbĕtna těras disorog pantona.

37. Anu lĕbĕt kana kamar, ngan Manetja sarĕng Rêsi, katilu garwa Pandita, Pursita sarêng Pramanik, tjaralik tĕngah bumi, hanteu tiasa arasup, ka djĕro pagulingan, tina kabudjěng disosi, sarta nampi panjaramna Sang Pandita.

38. Sang Putra Purnama Alam, diebogkeun dina katil, sartana tĕras dibuka, ku eta Sang Maha Rěsi, Rěsi ladjĕng ngalahir, saurna ginulur kalbu, mĕdal panjipta siang, měrwintji alaming lahir, lenggang padang [ 274 ]ngalantung di pawěnangan.

39. Kitu saurna Pandita, ditungtungan tanghi-tanghi, teu lami Radja Pinutra, eling sarta kaget galih, gugah bari ngalahir, sarĕng dibarung gumuju, ieu aing di mana, geseh tinggal ti sasari, kawas-kawas lain di Bandjaran Karang.

Dangdanggula

1. Hanteu lami lungsur tina katil, larak-lirik bari těras lĕnggah, dina pramedani objor, majun ka Maha Wiku, hanteu pětot neuteup ningali, Pinutra ka Pandita, kaget lĕbĕt kalbu, lantaran nĕmbe patěpang, kawuwuhan saliring nu katingali, beda djeung sasarina.

2. Bari njaur salĕbĕting galih, teu samĕnit aing rarasan, naha geus sagala geseh, bieu eukeur tjatjatur, pasal surat ti Nji Pramanik, reudjeung ngaran Manetja, utusan Ratnaju, ajeuna bĕt ĕnggeus aja, dina ieu imah nu anjar pinanggih, sipat bangsa manusa.

3. Hanteu lami Sang Putra ngalirik, ka Manetja aja di gedengna, keur emok sĕmu ngadjogo, Radjaputra seug njaur, pribados teh leuwih teu ngarti, ieu teh na di mana, Manetja ngawangsul, kantĕnan lĕnggah, gamparan, kahiměngan dina salĕbĕting galih, dina waktos ajeuna.

4. Margi eta sanes guha tjandi, anu aja di Tolongtělěngan, tĕmpat Ginggi nu porenges, ieu mah anu estu, bumi Rěsi Komar Tohidi, Pandita Ragatoja, manusa satuhu, sanes bangsa djin siluman, tah nja ieu pajuneun gamparan tjalik, Pandita Ragatoja.

5. Radjaputra mariksakeun deui, naha saha anu boga lampah, nu mindahkeun ka paribados, Manetja seug ngawangsul, nu ngalihkeun jaktosna abdi, ti bumi Bandjarkarang, Guha Bungbungümur, dupi anu djadi marga, tina lintang reuwas ku gamparan tadi, njuuh lir kapidara.

6. Waktos eta sakalintang abdi, nandang reuwas sinarĕng salĕmpang, ku kasawat gamparan teh, tina kalangkung ngangluh, atuh pikir abdi teh risi, disangka ku sadaja, mantri Bungbungümur, abdi anu gaduh dosa, ngabinasa ka lĕnggah gamparan jakti, tangtos kitu sangkana.

7. Eta kitu anu djadi margi, pang dibantun ka dieu ajeuna, mĕnggah dampal gamparan teh, bade njuhunkeun tulung, ka kĕrĕsa Sang Maha Rĕsi, panawa ka gamparan, panduʻa nu makbul, ku margi eta paněda, mugi² gamparan sih pangaksami, kaabdi anu lĕpat.

8. Radjaputra ngadangu pawarti, ti Manetja langkung kaget manah, [ 275 ]njaur salĕbĕting-raos, kutan aing teh kitu, ku djalanan lĕpas nja ati, ingêt ka pamadjikan, tuluj kapidangdung, leungit budi ilang akal, ku bawaning sumĕdot ka Nji Pramanik, taja daja upaja.

9.Barang eukeur Sang Putra migalih, Sang Pandita gumuju ngandika, Sang Anom muga waspaos, kadar Jang Maha Agung, titis-tulis geusan pinanggih, anu djadi lantaran, salamĕt rahaju, kaluar tina tjotjoba, jasa bidjil ti nagri Pusěring-bumi, guha Karangpanjiksan.

10.Titis-tulis nu narik walagri, anu mawa ka geusan waluja, bĕt ku sipat gěnděrěwo, dumugi jasa tĕpung, sinarĕngan ama pribadi, tina margina eta, ama ngiring nuhun, ka Gusti Allah taʻala, mĕnggah Agan sumping ka wiwitan tadi, mulang ka kamanusan.

11.Mugi ulah kahiměngan galih, dumeh hanteu samĕnit lamina, emut geus di dieu bae, eta kĕdah kasurup, kana galih anu sadjati, ibarat hampurana, Allah Anu Agung, ti dosa dugi hampura, teu karaos malah hanteu gĕntos měnit, ana geus diidjabah.

12.Radjaputra ngadangu pawarti, ti kěrěsa Rĕsi Ragatoja, tumungkul marga karaos, hanteu lami ngawangsul, sewu nuhun kang putra nampi, hibar panduʻa ama, geusaning rahaju, těrbuka kawiludjěngan, taja sanes tina galih wĕlas asih, ama ka diri putra.

13.Sang Pinutra sapandjang ngalahir, hanteu kěndat murubut tjisotja, ngemutkeun daradjat gěde, iasa deui wangsul, kana bali geusan ngadjadi, lĕmah tjai nu asal, lĕmbur geusan matuh, di dunja kamanusaan, Radjaputra něraskeun naros ka Rĕsi, putra teu atjan tĕrang.

14.Dupi ama ti mana saawit, sinarĕngan ieu palĕnggahan, nagri naon nu ngawĕngkon, Rěsi ladjĕng ngawangsul, wartosna mah tjeuk nu tingali, bawah nagri Banuja, amung langkung djauh, raratan ku anu leumpang, tudjuh dintĕn sanggĕm anu ahli², njaraba ka nagara.

15.Naros deui Pinutra ka Rĕsi, ama tĕrang ka nagri Riskomar, Pandita ladjĕng ngawalon, ama teh tatjan maphum, wartosna mah teu kira tĕbih, ka nagara Riskomar, upami didjugdjug, ku anu leumpang sabulan, hanteu lami Sang Putra ngalahir deui, atuh Putra teh sĕsah.

16.Hajang wangsul mo kiat ku tĕbih, dupi hĕnteu wangsul enggal, teu kiat mĕlang ka bodjo, Pandita mesěm njaur Kutan Agan kagungan rai, naha ka putra saha, Sang Putra ngawangsul, mĕnggah putra gaduh pisan, Nji Pramanik putrana djĕng rama Rêsi, Pasantren Gurangsarak.

17.Palangsiang teu aja di nagri, Kasangsara marga taja putra, ngalolos teu puguh nja los, dupi ka ama Ratu, pikir putra hěnteu kumait, bubuhan pangkat Radja, kalampud ku agung, djĕmbar lebar pangawasa, hěnteu kĕdah dipimĕlang dipiati, roa rengrenganana. [ 276 ]18. Kitu saur Sang Nurasadjati, katjaturkeun Pramanik harita, tĕngah bumi tjalikna teh, hěnteu tiasa asup, ka djro kamar margi disosi, atuh teu jasa ningal, da pantona nutup, teu tĕrang saha-sahana, nu ditjandak tjarios ku Maha Rěsi, bantunna Nji Manetja.

19. Hanteu lami Sang Dewi Pramanik, ka Manetji sarĕng ka Pursita, mariksa mung ku harewos, tina inggis kadangu, ku kěrěsa Sang Maha Rĕsi, nu di kamar teh saha, Pursita ngawangsul, duka abdi hěnteu tĕrang, mung manawi nu digulung tea tadi, bantunna pun Manetja.

20. Sang Pramanik linggihna teh ngalih, kana deukeut panto lawang kamar, něgěskeun anu tjarios, Pursita ge nja kitu, sami ngintip di sisi bilik, maksadna hajang tĕrang, kana gěntra tamu, tatapi teu hawar2, ukur wungkul gěrěnděngna nu kakuping, ku nu aja di luar.

21. Amung aja nu sidik kakuping, wireh rada kawas kalĕpasan, anu tjarios di djĕro, dina waktu keur njĕbut, langkung mĕlang ka Nji Pramanik, sieun ngalolos luas, ngapruk hěnteu puguh, Dewi Pramanik kalintang, ngarendjagna tina aja nu milahir, njĕbat wasta andjeunna.

22. Hanteu lami garwana Sang Rĕsi, tina djĕro kamar ngagěntraan, Pursita ulah talangke, urus-urus di dapur, njajagikeun anu utami, Dewi Pursita tĕras, popolah di dapur, ari Dewi Pramanik mah, ampar-ampar beberes di těngah bumi, amung andon sukana.

23. Tatapina Sang Dewi Pramanik, dina manah tatjan aja tĕrka, nu di kamar teh Sang Anom, sartana hěnteu suwung, ngaharewos ka Nji Manetji, tjobi masing pěrtela, ku Endang teh rungu, nu ngomong di djěro kamar, njěbut² ngaran Nji Dewi Pramanik, kawas djalma nu těrang.

24. Hanteu lami těras tjalik deui, Sang Pramanik deukeut panto kamar, rek němpo taja nu kohok, Sang Dewi tambah husu, ngadangukeun ka nu wawarti, awas kana gĕntrana, lir gĕntra Sang Sunu, Dewi Pramanik nambahan, panasaran ku hajang geura ningali, ka anu boga sora.

25. Tjatur deui: Sang Nurasdjati, seug undjukan ka kĕrsa Pandita, panuhun putra pribados, manawina kasapuk, sarĕng galih ama sajakti, putra ku hajang enggal, ka Riskomar wangsul, amung moal ka nagara, bade těras ka kěrĕsa ama Rĕsi, pasantren Gurangsarak.

26. Bilih bae pun Dewi Pramanik, hanteu aja di kota Riskomar, numawi ka pasantren teh, Pandita ladjěng njaur, hal pěrkawis Agan migalih, lělěb ku kaabotan, kamělangan kalbu, ka garwa marga patilar, mung emutan pun paman anu sajakti, pamugi ulah waka.

Z7. Waktos ieu kana hojong mulih, paman bade aja pamaksadan, tawis ngiring bingah hate, sumědja turun kaul, tina margi parantos nampi, [ 277 ]pasal kawiludjĕngan, tĕrbuka rahaju, kaluar ti kahemĕngan, maksad paman babakti ku geusan pulih, ilang bingbang kamĕlang.

28. Radjaputra ngawangsulan deui, raos putra mĕnggah kaajaan, di dunja mah rugĕl bae, bade landong panglipur, ku emutan ka Nji Pramanik, nadjan wilanganana, ditumbu disambung, ku pĕdaran ti sawarga, waktos ieu teu aja pangintĕn teuning, ilang di kamĕlangan.

29. Malah² emutan nu tigin, saupami dikadar ku Allah, diri putra nu sajaktos, moal deui patĕpung, sinarĕngan Dewi Pramanik, di alam kalahiran, putra mah nunuhun, lĕbih njorang baja wapat, djeung tinimbang lara ku ririwit ati, anu taja sehatna.

30. Tjatur deui Sang Dewi Pramanik, beuki tĕgĕs ka saur Sang Putra, manah wuwuh ratugna teh; ari rek maksa asup, hěmar-hěmir aringgis lain, tungtungna samar polah, sagala teu tjutjud, lĕnggah ngaděg hěnteu bětah, sarta bari garetek lĕbĕting galih, ku teu geura kaluar.

31. Těras tjalik dina pramedani, dina lawang kadjuaranana, Dewi Pursita norodjol, ka Sang Dewi piundjuk, sarta gĕntra ditarik-tarik, wantu nu gerewegan, tara alon saur, gamparan abdi wurukan, papasakan bangsa tuangeun bopati, abdi hajang tiasa.

32. Sang Pramanik imut djeung ngalahir, poho deui da puguh geus lila, teu djadi urang karaton, ku atjeuk teu kaemut, da keur naon sanadjan radjin, mungguh diri atjeuk mah, da puguh geus suwung, anu pituangeunana, asal leungit musna teu kapěndak deui, ti djro karang kaputran.

33. Eta kitu walonna Pramanik, gěntra tarik gumentjrang ka kamar, ngoredjat Pangeran Anom, ngadangu eta saur, sarta sidik soara istri, kaget Pangeran Putra, dina lĕbĕt kalbu, ku sada gěntra garwana, sarta njĕbat leungit musna tanpa lĕbih, ti djro karang kaputran.

34. Radjaputra hěnteu gĕnah tjalik, larak-lirik ari rek ka luar, aringgis awewe sanes, ku Sang Wiku kamaphum, putra-putri jen kitu galih, narandang pakagetan, Pandita seug njaur, madjar maneh leungit musna, puguh oge ukur kahalangan bilik, ditěmpo oge awas.

35. Sang Pinutra nguping saur Rĕsi, geus kamanah silib ka andjeunna, jen bieu nu njarios teh, ku Sang Putra katulup; tangtu garwa Dewi Pramanik, bawaning teu kawawa; teu-isin ku Wiku, ngodjengkang bade kaluar, sarta těras gerendel panto ditarik, barang braj hanteu samar. [ Adv ]LAIN ETA,

oleh Moh. Ambri,

Rp. 2.40

Citakan:Category handler

tjitakan ka 3, 76 katja, no. 1169, Kawasna geus teu kudu ditěrangkeun deui, jen eta buku teh piraku ngalaman ditjitak něpi ka tilu kali upama fotigi la hěnteu matak rěsěp, Ngaran anu ngarangna bae oge tjek barudak ajeuna tea mah geus diadi garansi jen: eta buku teh ana geus tjěg ditjěkěl dibatja, moal waka lesot lamun atjan tamat.

BASA SUNDA I,

oleh R. I. Adiwinata,

Rp. 2.—

82 katja, no. 1665, Pikeun anu ngulik basa Sunda ieu buku teh katjida tjotjogna, Katerangan-kateranganana babari tur tetela. Buku nu sok dipake di sakola-sakola pigurueun.

KAMUS BASA SUNDA,

oleh R. Satjadibrata,

Rp. 35.—

499 katja, no. 1692. Něpi ka ajeuna ngan kakara ieu-ieuna kamus dina basa Sunda mah. Upama ngingětkeun, jen kamadjuan bangsa teh ti antarana beunang diukur ku kaajaan kamusna, tangtu unggal urang Sunda pada měrlukeun ngabogaan ieu kamus. Kětjap-kětjap Sunda ditěrangkeun ku basa Sunda, atuh puguh bae tetela,

DEWARUTJI,

oleh M. A. Salmun,

Rp. 7.20

Citakan:Category handler

114 katja, no. 1700. Lalakon wajang nulad ina kitab kahot anu kamashur luhur palsabahna. Pantes dibatja ku nu keur ngulik satinan, Estu matak pogot.

MAHABHARATA,

oleh Wyasa,

Rp. 22.50

284 Katja, no. 1735. Buku pohara badakna pikeun buku Sunda mah, nja gede, nja kandel. Njaritakeun pawajangan ditetek tudjuh turunan, ti djaman Luluhur Pandawa nepi ka Rundajan Pandawa, Buku anu rame lalakonna, luluhur martabat eusina, djembar piluangeunana, mabal pangadji kasustranna, Tjindekna mah buku anu sagalana pundjul. Ana heug teh, Kitab sakitu linuhungna, didangdingna teh ku R. Memed Sastra Hadiprawira, R. Satjadibrata djeung M.A, Salmun, Eta tilu sastrawan pikeun di kalangan urang Sunda mah geus tjukup pikeun djadi tanggungan atawa tandon, jen bukuna pasti hade.